Mangle 2434

57

Transcript of Mangle 2434

Page 1: Mangle 2434
Page 2: Mangle 2434

Para Mitra,Geus ilahar, kagiatan kaagamaan dina bulan Roma -

don mah sok ningkat. Di média éléktronik, saperti dinatipi waé, apan jam tayangna béda ti sasahari. Kitu deuikagiatan-kagiatan kaagamaan nu sok diayakeun disabudeureun urang. Upamana waé, nu tadina panga-jian téh sok dilaksanakeun di masjid-masjid, di bulanRomadon mah ambahanan ogé beuki ngalegaan.Saperti waé aya nu di hotel-hotel, di kantor-kantor, dirumah makan kaasup ogé di mol-mol. Ieu tangtu matakreueus kacida. Hartina, kasadaran umat Islam kanananjeurkeun ajaran agamana, singhoréng sakitu padangarojong jeung dipikabutuhna. Upamana waé dinararaga buka bersama, asa kurang afdol upamasaméméhna teu aya acara siramah ruhani atanapipanga jian heula.

Para Mitra,Rupa-rupa kagiatan kaagamaan kitu, tangtu di -

piharep bisa lana nepi ka jadi biasa. Ngan naha bisa?Tangtu keur urang Sunda atawa keur urang Jawa Baratmah, munasabah pisan. Lantaran sacara sosiologis apanurang Sunda mah dalit pisan jeung agama Islam. Malahasa pantes pisan upama ditepikeunana ogé dina basaSunda. Lantaran, lian ti nanjeurkeun deui da’wah Islam,ogé dina raraga ngamumulé basa Sunda sorangan.

Ku kituna, upamana waé pamaréntah Jawa Baratngahangkeutkeun deui da’wah Sunda nu dimitem-beyanan dina saum taun ayeuna, tangtu Manglé kacidangarojongna. Lian ti ngarojong kagiatan dina nga -mumulé basa Sunda, ogé tiasa keur nanjeurkeun ka-soléhan di tatar Sunda nu disurahan tina ajaranagamana (agama Islam). Mudah-mudahan.***

Da’wah Puasa ku Basa Sunda

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di-

brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mangle 2434

IMPLIK-IMPLIK

Lagu Sunda Islami

........................................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Si Geulis nu Nyupiran Beus

Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24

BAHASAN

Jatigede jadi Dano Mimiti Oktober?

......................................................... 44

UNAK-ANIK

Para Rumaja

Nu Resep Nepak Kendang ............. 46

GUGURITAN

Untung Rugi Hirup Manusa

Tachrun Suwerpi ............................. 48

SAJAK

Révolusi

Sayudi ............................................. 49

CARITA PONDOK

Warisan nu Moal Cocéng

Tuti .................................................. 20

Kanikir Dipipir Pasir

Moddi Madiana ................................ 22

..........................

Ganjar Kurnia ..................................... 26

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Rumaja .................................. 32

Katumbiri .......................................... 37

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (167)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (4)

M.A. Salmun

............................................................. 12

­Sekar­MangléIntan

6TAMU

Pamingpin

Kudu Ngarampa Kereteg Haté Masarakat

Po

tre

t : R

eis

yan

Angkrék bulan marakbak bodas mapaésrohangan tengah. Unggal poé ditatapdiusap jadi batur ngobrol, tempat mi-

radu mun haté keur sumedeng ringrang.Sok rajeun nyoréang ka tukang, mangsa

hirup paduduan, genep taun kaliwat...........................................................

22

Kanikir Dipipir Pasir

Panata Rias & Raksukan:Sanggar Ayu Busana (Galery

Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9

Ujungberung – Bandung Telp.022 – 70432343

HP: 08122395408

Page 4: Mangle 2434

Nu Harayang Jadi Guru

Tina 585.789 lulusanSMA/SMK anu marilu kanaSeleksi Bersama Masuk Per-

guruan Tinggi Negeri (SBMPTN)taun 2013 aya 407.000 atawa 69,4persen anu daftarna milih programstudi di lembaga pendidik lembagakependidikan. Cenah taun ayeunangajaul pisan mun dibandingkeunjeung taun tukang. Harita mah nudaftarna ka program studi éta téhngan aya 350.000 jelema.

Ku naon pangna taun ieu leuwihloba anu marilih program studikependidikan? Tangtu lantaran jadiguru ayeuna geus matak kabita.Nasib guru anu dina taun-tauntukang sok dibasakeun pahlawantanpa tanda jasa, ayeuna mah geusjauh leuwih alus batan harita. Per-hatian pamaréntah kana nasib guru,geus leuwih alus batan nu katukang-tukang. Komo sanggeus ayasertifikasi mah, gajih guru téh geusbisa diandelkeun. Malah punjulbatan PNS umumna.

Nu matak meujeuhna lamunlulu san SMA/SMK loba anu kabitaharayang jadi guru. Tujuananaayeu na mah jadi guru téh geus lainngan sakadar pengabdian tapi lan-taran geus bisa dipaké jaminanpikeun udagan hirup.

Tangtu wé saréréa kudu ngarasabungah pangajén ka guru geusbatan sakitu. Perjoangan para gurugeus meunang pangbagéa tipamarén tah saperti ayeuna.Papada ning kitu, lain hartina geussagalana sampurna. Lamun urangngabandungan kaayaan dunya pen-didikan ka urang dina jero sapuluhatawa limabelas taun kadieuna -

keun, apan teu kurang-kurang aksiguru anu meredih sangkanpamarén tah ngabebenah deuikawijakan ana dina widang pen-didikan. Ayeuna mah pameredihguru téh geus leuwih lega batan anupatalina jeung nasibna sorangan.

Dina bulan-bulan ieu urangsaréréa keur nyanghareupan urusananu henteu bisa dianggap énténg,nyaéta patalina jeung Kurikulum2013. Sanajan réaksi ti masarakatloba anu cangcaya éta kurikulumbakal leuwih alus batan anuenggeus-enggeus, tapi pamaréntahkeukeuh kudu mimiti taun ieu. Teumeunang diengkékeun deui.Salasahiji anu geus dipajuna nyaétangalatih guru supaya meunangsértifi kat jadi instruktur guru nasio -nal. Ti dituna mah lantaranpamarén tah sorangan sadar pisanyén Kurikulum 2013 téh béda jeungkurikulum nu enggeus-enggeus.Naon nu aya dina éta kurikulumkudu dilatihkeun heula ka gurunasaméméh ditepikeun ka murid téh.

Tah tina hasil pelatihan instruk-tur guru nasional téa, tina 542jelema anu geus dilatih, aya 124atawa 23 persén anu teu lulus. Nahabangga kitu materi anu dipakélatihan ana téh? Mun anu teu lulus -na aya nepi ka ampir saparapatna,hartina hasilna téh beunangdisebut keun henteu nyugemakeun.Mentri Pendidikan dan KebudayaanM Nuh kalawan tandes nétélakeunyén tina hasil latihan téa anu pang-mojéjrétna téh cenah widangpemaha man kurikulum.

Tangtu para guru, babakuna anugeus marilu latihan téa, anu apal

lebah mana héngkérna. Bisa jadilain ku lantaran éta téh kurikulumanyar, tapi boa nyampak dina kapa-sitas guru umumna.

Anu marilu kana pelatihan téa,cenah geus diséléksi heula. Hartinahenteu asal guru anu diilukeun kanapelatihan téh. Cacak geus diséléksiheula hasilna batan sakitu. Komodeui lamun henteu dipilih heula.

Ngeunaan kapasitas guru anusaperti kitu sabenerna geus ditaksirti anggalna. Salasahiji alesan anuteu satuju Kurikulum 2013 diajar -keun taun ieu ogé apan di dinyanyokona téh. Komo deui lamun nga-bandingkeun kapasitas guru nu ayadi Pulo Jawa jeung nu aya di NTTatawa di Papua. Mangkaning,Kurikulum 2013 téh bakal langsungdipraktékkeun di sakumna sakola,sanajan dina taun ieu mah dipilihankénéh.

Sigana bakal jadi catetansaterusna, kudu kumaha matéakeundunya pendidikan di urang nepi kahasilna optimal. Ganjorna kaayaanguru, jeung sakola, di sakuliahnaga ra apan geus kabuktian henteubisa dibebenah gancang-gancang.Lamun kaayaan nu saperti kitu hen-teu disanghareupan kalawan daria,bisa dipastikeun beuki ditu ganjor -na bakal beuki jauh.

Lamun ayeuna minat lulusanSMA/SMK beuki loba anu harayangjadi guru, kadé kudu disanghareu -pan kalawan ati-ati. Ulah nepi kaharepan nu sakitu gedéna, dinaderna kalah sulaya. Ti ayeuna kénéhpamaréntah kudu geus tatan-tatannyadiakeun sagala rupa sarana, ulahditungguan éksésna. AM

Manglé 2434 3

Page 5: Mangle 2434

4 Manglé 2434

Dioméan LantaranRék Lebaran

Sampurasun!Damang Nyi Manglé?

Punten ngiring ngintunserat, wiréh aya usul ka pa-maréntah sangkan leres-leres damel dinangabebenah sarana jalan.Komo deui dina mapaglebaran mah, jalan tehleres-leres jadi pangabutuhkeur patalimarga. Sapertibudaya mudik, geus pastisarana jalan jadi masalah.Upama waé, pamarentahhenteu ngalereskeunsababaraha jalan nungaruksak, hartina henteumampuh ngajalankeunpamaréntahan ana.

Tah, saperti ka jalur

kidul Pangandaran, apansakitu ruksak parna. Pada-hal éta téh ka jalur pari-wisata, jalur nu piduiteunwungkul jang nambahandevisa nagara. Ku kituna,simkuring usul ka pamaren -tah sangkan dimaksimal -keun ngawangun saranajalan ka jalur Pangan daran.Mémang ayeuna keur jalan,tapi ku cara nyedekkeun kalebaran, meureunan ngerja -keun ana ogé ruru suhan.Tah taun-taun engké mahulah kitu, kudu ti anggalnakénéh. Nuhun.

Asep HasanCijulang Bandung

WAWARAN

Dina mayunan Boboran Siam 1434 H(Lebaran), medalna Majalah MANGLE ayaparobi han. Dina sasih Agustus 2013, nu kedahna5 (lima) nomer, janten 4 (opat) nomer.Parobihan ana, nyaéta:

1. Edisi Mapag Lebaran, No. 2435, medal sapertibiasa.

2. Edisi Lebaran No. 2436, Manglé medal jantendinten Salasa, 1 Agustus 2013.

3. Kemis, ping 8 Agustus 2013, Manglé henteumedal.

4. Manglé 2437, medal deui Kemis 15 Agustus2013 sareng saterasna sakumaha biasa

Sakitu wawaran parobihan medal Manglé.Mugia ka uninga ku sadayana.

Bandung, 10 Juli 2013Redaksi

Page 6: Mangle 2434

Manglé 2434 5

NITÉNAN riwayat hirup sawatarainohong Sunda, pangpangnangeuna an ketak politikna, tétéla

pisan teu sarupa. Rupa-rupa, béda-béda.Aya nu ketak politikna panjang, tapi réaogé anu pondok. Geus meujeuhna urangsacara ilmiah nyusun prototype ketakpolitik masing-masing inohong Sundamalar urang meunang gambaran anutétéla lebah mana “benerna” jeung pale-bah mana “salahna”. “Bener” atawa“salah” téh diukur tina panjang pondoknalalakon politik éta inohong. Éta prototype-prototype téa sina dipaké modél ku paranonoman Sunda anu hayang ancrub kanadunya politik pikeun nyonto ketak politikpara inohong Sunda saheulaeunana.

Inohong-inohong Sunda anu baheulaancrub kana kagiatan politik nasional,rata-rata mah nyongcolang. Tapi aya nuterus nyongcolang nepi ka tungtung, tapiogé teu kurang-kurang anu karir politiknapeunggas di perjalanan. Kurang kumahagedéna jasa Oto Iskandar Di Nata eng-goning ngadegkeun ieu nagara. Apan nyaOto Iskandar Di Nata anu ngusulkeunsangkan Soekarno jadi Presiden RI jeungMoh. Hatta jadi wakilna téh. Tur éta usuldigugu ku saréréa. Taya nu nentang.Hartina, dina dunya politik nasional mahngaran Oto téh dipiajrih, tur Otona sora -ngan dipikasérab. Teu cukup ukur ku kitu.Basa Oto ngusulkeun malar kecap“Merdéka” dipake “yel” kamerdekaan,apan taya saurang oge nu mungpang.Nepi ka kiwari éta yél téh dipaké kénéh.

Anu kudu dititénan sara ilmiah téhnaon sababna Oto Iskandar Di Nata anusakitu gedé jasana ka nagara téh bet di -telasan. Nepi ka kwari urang teu manggihraratan naha ditelasanana Oto di basisirMauk téh ku pihak rejim harita atawa kuanu ngéwa ka rejim. Nepi ka kiwari, pihakmana anu nelasan Oto téh peteng lir peu -ting nu poék-mongkléng. Tapi, upamaurang maluruh ketak politikna sacarailmiah mah asa moal peteng-peteng teu-

ing. Taangtu teu matak susah upamaurang nalungtik ketak politik Pa Oto tiawal ancrub kana kahirupan politik nasio -nal nepi ka ahir. Tangtu baris bisa di-talungtik, ketak politik nu mana anumatak ngajaheutkeun manah, atawamatak nimbulkeun rasa curiga pihak lian.Bisa jadi éta pihak lian téh réjim nu keurkawasa harita, atawa bisa jadi di luar réjimanu nganggap Oto téh mangrupa haha-lang ka maranéhna nu niat ngagulingkeunréjim nu keur kawasa. Boh ti pihak réjim,boh ti pihak saluareun réjim anu nelasanOto, duanana gé baris kaharti sacarailmiah.

Kapan ketak politik urang Sunda dinalapak nasional téh hayang manjang, ulahngan ukur sausum. Kapan aya urangSunda nu kunsgi jadi wakil présiden,nyaéta Umar Wirahadikusumah. Tapiapan ana écag tina kalungguhan wapréstéh Umar mah henteu kacaturkeun deuiketak politikna sacara nasional. Nya kitudeui pikeun étnis Sunda, taya saurang ogéinohong Sunda nu kapilih jadi wapréssabada Umar Wirahadikusumah. Kabéja -keun majar jenengna Umar jadi wapréstéh henteu karasa mangpaatna keur urangSunda, dalah keur urang Siturajana sora -ngan. Éta ogé kawasna mangrupa salahsahiji anasir nu ngalantarankeun ketakpolitik Umar Wirahadikusumah lekasansabada teu jadi waprés. Kasalahanana téhmeureun tétéla ku lantaran keur jenengnateu karasa mangpaatna keur étnis Sunda.Ku lantaran teu karasa, atuh nya kahartiupama taya nu ngadukung. Hartina,upama aya nonoman Sunda anu ketakpolitikna hayang lana, salah sahiji caranatéh nya kudu ulah poho ka bali geusanngajadi.

Aya deui salah saurang inohong Sundaanu ketak politikna bisa dipaké bahanpikeun diajar. Dina ketak politikna, ieuino hong Sunda téh mibanda prototypemandiri anu éstuning béda ti batur. Étainohong Sunda téh nyaéta Tjétjé Hidayat

Padmadinata, nu ku saréréa sok padanyarebut Kang Tjétjé. Naon “salahna”Kang Tjétjé lebah ketak politikna nepi kateu parok jeung haté rejim anu keurkawasa. Ku saban rejim nu keur kawasa,Kang Tjétjé mah teu weléh dibérok waé.Ku Orde Lama dipanjara, ku Orde Barudihukum. Ku Orde Reformasi kiwari KangTjetje mah “ukur” jadi politisi nudipikasieun, alatan tarik kritikna.

Anu kawilang kontradiksi jeung KangTjétjé katut inohong-inohong Sundalianna, nyaéta Ginandjar Kartasasmita.Éta inohong Sunda téh henteu weléhdipikaresep ku saban rejim. Copelna kurejim Orde Baru Soeharto jeung rejimRefor masi SBY. Di éta dua réjim anu garispolitikna tojaiah téh Ginandjar mah teuweléh kapaké. Basa Soharto keur jeneng,apan Ginandjar mah teu weléh kapakéwaé. Saban Soeharto nyieun cabinét,ngaran Ginandjar mah henteu weléh ayawaé. Nya kitu deui dina jaman réformasi.Ku SBY nu keur kawasa, apan Ginandjarmah diangkat jadi salah saurang anggotaDéwan Pertimbangan Présidén (Wantim-prés). Atuh saméméh éta, apan kungsi je-neng jadi anggota Déwan PerwakilanDaérah (DPD) wawakil ti Jawa Barat.

Naon sababna pang Ginandjar teuweléh “salamet” waé, tug teu weléh kapakéku saban rejim, nepi ka tara kaluar tinaorbit kakawasaan, tangtu kudu dipaluruhsacara ilmiah. Naon “kiat-kiat”politiknapangna Ginandjar bisa kitu. Kumahaketak politikna pang Ginandjar teu weléhkapaké waé téh.

Kawasna geus meujeuhna pisanupama para nonoman Sunda di-wanohkeun kana ketak politik masing-masing inohong Sunda. Keun maranéhnasina milih rék nurutan prototype anumana. Tangtu merenah pisan saupamasacara ilmiah diwanohkeun Biografi Poli-tis Para Tokoh Sunda. Saha nu rékmitembeyan?

***

DI KIWARI MACA BIHARI (10)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Lalakon-lalakon Inohong Sunda

Page 7: Mangle 2434

Batu turun keusik naék, ceukparibasa gé. Tepungnapakarepan masing-masing

pihak, kudu kawas kitu. “Ulahpakia-kia! Atuh, mun dinangungkulan masalah ge, ulahnimbul keun pasualan atawamasalah anyar,” ceuk Dr. Ir. H. Ju-niarso Ridwan, SH., MH. M. Si.,budayawan nu dumuk di Bandung.

Ku lantaran kitu, ceuk KangYuni (kitu katelahna), pamingpinkudu getol silaturahmi ka handap.Nalingakeun kahirupan masarakatsarta neuleuman kereteg hatémasarakat. Tah, nu kawas kitu,cenah, nu dipikabutuh kumasarakat mah. “Cindekna, kedahngarampa kereteg haté masarakat,”pokna.

Kitu deui nu tumali jeung pang-wangunan pisik, saperti saranajeung prasarana, ceuk ieu DosenPasca Sarjana Universistas Islam(Unisba) Bandung, sawadina ogékudu dumasar kana tinimbangandangka panjang. Contona,ngababenah jalan, ogé kudu jeungtinimbangan ‘daya tampung’kandara an di hiji tempat. “Ayeunakajantenan, lobana kandaran tiJakarta ka Bandung, lantaranayana tol Cipularang, balukarsejen na apan kota Badung jadimacet ku kandaraan,” pokna mereconto.

Dina nitenan kahirupan kiwari,Kang Yuni gé teu meungpeuncarang. Memang nembrak kasak-sén ku balaréa, yen loba pihak nugeus ‘horéam’ ngabandunganpasua lan pulitik. Ngan, kaayaankitu teh, teu hadé diantep, lantarankangaranan kahirupan kanagaraanmah, moal tuna tina pasualan puli-tik. Hartina, daék teu daék sasahagé, kaasup masarakat kubra, kuduengeuh kana kahirupan pulitik.

Upama loba pihak nu teu ‘kataji’ku pulitik ogé sawadina jadi bahantinimbangan para pulitisi nu an-crub dina partey. Lantaran,samistina mah, partey pulitik téhngatik masarakat sangkan ngartijeung engeuh kana pulitik. Carana,nya ku mindeng silaturahmi antaramasarakat jeung pangurus parteypultik. Kitu ceuk pamanggih Ju-niarso Ridwan mah.

6 Manglé 2434

Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH.,MH.,M.Si.,Dosen Unisba Bandung

Pamingpin

Kudu Ngarampa Kereteg Haté Masarakat

Nu diasongkeun ku pamingpin, can tangtu kalandep ku masarakat. Ku lantaran kituna, program nu baris dilaksanakeun ku pamingpin gé kudu dumasar kana kabutuh masarakat.

Kitu ceuk Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si. ***

Page 8: Mangle 2434

Manglé 2434 7

Ceuk tilikan Kang Yuni,masarakat kiwari, teu gampangkarampa kahayangna. Da, bisa jadirupa-rupa kahayang jeungimpianana. Ngan, ku cara remensilih kolongan kahayang, teu mus-tahil ‘patepungna’ harepanmasarakt jeung nu bisa nangtukeunkawijakan.

Dina mangsa pamingpinditangtu keun ku sora masarakat,ceuk ieu Ketua Partai AmanatNasio nal (PAN) Kota Bandung téh,memang masarakat kudu ‘cerdas’milih pamingpinna. Mun ceukkekecapan kolot mah, kudu asak-asak ngejo bisi tutung tambagana!Hartina, ceuk Kang Yuni, nukapilih teh sawadina nu apal kanakahayang masarakatna, ogé apalkana wewengkon nu dipingpinna.“Kedah nu ngartos kana pasualananu nuju disanghareupan, sartamampuh maparin solusi kanggongungkulanana,” pokna.

Juniarso nu kapapancenan jadi

calon legislatif ku parteyna keurDPR RI, boga pamanggih, masing-masing partey kudu bener-benerngutus calon nu panghadéna dimasing-masing daérah. Lantaran,pangwangunan nu samistina di-garap di daérah, saperti di kabu-paten/kota, kudu sareundeuksaigel boh jeung propinsi boh jeungpamaréntah puseur. “Nu mistinataharkeun para calon legislatif

kalayan daria di sakumna tingkatanteh partey pulitik,” ceuk Kang Yuni.

Pangrojong Legislatif

Pangwangunan nu dilaksana -keun ku eksekutif (rengerenganpresiden/gupernur/walikota/bu-pati), kudu bener-bener keur kabu-tuh masarakat. Nya di dieu, pancengawe legislatif teh, luyu jeungpungsina, nyieun aturan, ngontrol,jeung nganggarkeun waragad, demikapentingan masarakat. Hartina,kalungguhan wawakil rahayatsaperti kitu, sawadina jadi kakua -tan keur masing-masing anggotadewan. Pakakas nu tilu rupa bieu,bisa mangpaat keur balaréa, upamapara anggota dewan boga karépjeung kamampuhan ngalaksana -keun pungsina tea. “Kakuatan leg-islatif bakal gumantung kanakamampuhan pribadi-pribadina,”ceuk Juniarso Ridwan.

Tumali jeung kakuatan legis-

latif, Ir. H. Sjamsuridjal, M.M., Di-rektur Eksekutif Amal SalamanITB, boga pamanggih, sakudunalegislatif mampuh ngontrol gara-pan gawé eksekutif. Contona,cenah, waktu gupernur kompanyeapan loba jangji nu ditepikeun kamasarakat. Atuh, satutas mancengawé, samistina éta jangji téhditedu nan. Ngan, tangtu rahayatnajan boga hak nagih jangji, tetep

moal ‘peurahan’ lantaran teu bisamaksa ka eksekutif. “Pancennepikeun kereteg haté masarakat,samistina ditepikeun ku anggotadewan,” pokna.

Ku lantaran kitu, ceuk H. Sjam-surdjal nu oge aktif di partey puli-tik, sawadina masarakat gé dinanangtukeun anggota dewan téhkudu asak tinimbangan. “Upamasalah milih, apan rahayat kénéh nurugi,” pokna tandes.

H. Ridjal percaya, kakuatanekse kutif nu ditalingakeun ku leg-islatif, bakal mawa mangpaatnakeur balaréa. Anggota dewan nujadi wawakil masarakat, kudu e -ngeuh jeung apal kana kabutuhmasarakatna. Eta kabutuh,saterusna dilaksanakeun ku ekse -kutif kalayan kontrol legislatif.

Jawa Barat, ceuk panitenan Rid-jal, bisa leuwih maju. Kitu téh, lan-taran poténsi nyampak,pangpangna sumber daya manusa.Ngan, cenah, memang nu boga

karep milu matéahkeun Jawa Baratgé teu gampang, lantaran lobakeneh masarakat nu daek mamrihnu saharitaeun. “Padahal, upamahayang boga pamingpn nu masla-hat keur balaréa, nu pangpentingnamah, tinimbangan kamampuhanmasing-masing calon pamingpintéa,” ceuk ieu alumni ITB téhneun deun harepan. ***

(Ensa)

Ir. H. Sjamsuridjal, MM., direktur eksekutif Rumah Amal Salman ITB

Kota-kota tatar Jaban loba keneh nu kudu dibebenah

Page 9: Mangle 2434

8

Dina dekade 70-an, lagu‘Hamdan’ nu disanggi kuMang Koko tina rumpaka

karya RAF teu wudu jadi lagu popu -lér dina mangsa harita. Dalah tugtepi ka kiwari éta lagu téh sokkapireng kénéh padangahariring -keun. Lagu ‘Hamdan’ kaitungleuwih populér batan lagu ‘SolawatBani Hasyim’ jeung lagu ‘Al Iman’(lagu Mang Koko, rumpaka RAF).Béh dieuna mindeng kapireng ayalagu ‘Demi Waktu’ jeung ‘Balitu -ngan’ karya Atang Warsita jeunglagu ‘Du’a’ karya Nano S. Pon kitudeui Yus Wiradiredja nu nyanggilagu-lagu islami nu diwadahan dinalabel Ath-Thawaf. Iwal ti MangKoko, Atang jeung Nano dinanyanggi lagu islami masih kénéhkaitung ku ramo. Yus leuwih réabatan Nano jeung Atang. Atuh dinanyanggi laguna, pangpangna bohAtang boh Nano gedé pisankakalangkangan ku konsép MangKoko.

Dina awal dekade 90-an, kakaramuncul warna séjén dina ngaracik

lagu Sunda Islami. Ieu sanggian téhmedal dina warna pop. Diluluguanku Ubun Kubarsah jeung Gun Gu-nawi ti Dasentra. Dimuat dinaalbum ‘Bulan Suci’, dihaleuangkeunku Nanang Kosim jeung Lala Yulia -ra. Kungsi geunjleung tepi kasaparat taun 90-an mah.

Horéng Ubun mah manjang

Ubun Kubarsah, nu boga gagasan pagelaran

Lagu Sunda Islami

Geus lawas teuing masarakat Sunda teu bogaeun lagu Islami. Ti jaman Mang Koko nu nyanggilagu tina rumpaka RAF, ti dinya mah plengles baé komposer anu mibanda konsép nu panceg lebah

nyanggi lagu-lagu sunda islami téh. Aya éta gé nu sok rajeun daria nyanggi lagu-lagu islami, ngan baé ukur hiji dua.

Rita Tila, juru kawih kamashur

Page 10: Mangle 2434

Manglé 2434 9

neuleuman nyanggi jeung ngaraciklagu-lagu islami téh. Dina pertenga-han taun 90-an, Ubun ngainterpre-tasi lagu-lagu solawat kuidiom-idiom galindeng Sunda.Genah kacida, da puguh masarakatSunda leuwih ngarasa mibandagalindeng solawat nu diracik tinamotif-motif laras Sunda, pang-

pangna laras madenda. Haleuanggalindeng ‘Solawat Badar’-na kungsikapireng dihaleuangkeun kuChrisye. Dina dekade 90-an kénéhgalindeng solawat racikan Ubunkungsi diaubkeun dina pagelaran‘Mega Solawat’ di salah sahiji sta-siun swasta nasional. Nu nga-haleuangna Nénéng Dinar jeng YusWiradiredja.

Atuh dina ruas taun 2000-2010,Ubun ngotrétkeun racikan lagu numatak geunjleung, ‘Bandungan’.Lagu ‘Sakaratul Maot’ jeung ‘TancebKayon’ minangka conto lagu dinawanda ‘Bandungan’ nu mibandatéma islami. Éta lagu nu dua,rumpakana ditulis ku Ganjar Kur-nia. Dina taun 2008, Ubun géngaracik lagu cianjuran gaya anyar.Di dinya aya lagu ‘Amanah’ (lagupoko) jeung lagu ‘Mustika Katulis-tiwa’ (lagu panambih). Rumpakanaditulis ku Zahir Zahri. Atuh dina duataun katompérnakeun, Ubun mang-gihan deui komposisi musikal anyar‘kacapi harmonia’, paheuyeuk-heuyeuk jeung musisi Yadi ‘Piteuk’

Cahyadi. Tayohna enya, Ubun manggihan

formula nu nenggang tur weweglebah nyanggi lagu nya dina wanda‘Bandngan’. Ti dinya murudul lagu-lagu anyar, pangpangna nu dipatali -keun jeung lagu-lagu nu mibandanapas islami, sakumaha nu kapalu-ruh dina periode album ‘Syair keur

Syiar’, ‘Cisoca Singa Sahara’, jeung‘Kasidah Sunda Islami’. Mun téa di-jumlah-jamléh, lagu-lagu sunda is-lami sanggian Ubun (dinapirang-pirang wanda), moal kurangti 60 (genep puluh). Cék taksiran,ieu jumlah téh can kapanggih di jurusanggi nu séjén.

Lagu Islami jeung PuasaTina sakitu judul lagu-lagu

Sunda islami sanggian Ubun, barisdiala 13 (tilubelas) lagu baé pikeundipagelarkeun dina ‘Féstival LaguSunda Islami’, tanggal 19 Juli 2013,di Aula Grha Sanusi HardjadinataKampus Universitas Padjadjaran, Jl.Dipatiukur 35 Bandung. Éta lagu nutilubelas téh baris dihaleuangkeunku Rita Tila, Rosyanti, jeung sawatarakelompok penyanyi ti Pasan trén AlFalah Cicaléngka, Pasan trén BaitulArqom Pacét Ciparay, Mahasiswa UPIBandung, jeung mahasiswa UINSunan Gunung Djati. Diwewegan kupara jurukawih petingan tiSumedang, Garut, Cianjur, jeungBandung Barat.

Pagelaran garapan Dasentrapingpinan Ubun Kubarsah nudideudeul ku Disparbud PropinsiJawa Barat katut KementrianPariwi sata dan Ekonomi Kreatif téhkatoong pirongkaheunana. Tudapenyanyina baé teu kurang ti 60urangna. Ditambahan ku para mu-sisi ti grup Harmonia pingpinanYadi ‘Piteuk’ Cahyadi, gitar klasikalGun Gunawi, keyboard SukmaKusumah, sun-chen Sisca, kacapiAde Suparman, jeung bangsing AsépAung. Difasilitasan ku pihak Unpadminangka agénda maneuh bulanan,dina raraga ngeusian acara syiarbulan suci romadon.

Cara dina garapan pagelaran nuenggeus-enggeus, Ubun bangun mi-harep aya modél pagelaran anudaria bari diwewegan ku konsép anupepel. Aya tilu lagu anu syairna nga-haja nguyang ka panyajak kahot H.Usep Romli HM (‘Anjeun Nu Maha’jeung ‘Sarébu Bulan’) jeung AcépZamzam Noor (‘Kiblat Kuring’).Tina syair jadi lagu téh digarap kuUbun kalawan daria dina jero sabu-lan. Dipirig ku kacapi harmoniaracikan Yadi Piteuk, teu wudu ngu-niangkeun harmonisasi lagu nu po-hara éndahna. Dirékam dinasababaraha shif di Studio STSI. Étalagu nu tilu téh salah sahijina barisdihaleuangkeun ku penyanyimashur Rita Tila.

Nu matak jadi ahéng deui téh,aya lagu nu euyeub ku motif galin-deng Sunda nu engkéna baris di-haleuangkeun ku penyanyi wedalanpasantrén. Ieu tarékah téh, cékUbun, pikeun nguniangkeun warnaséjén tur anyar; galindeng Sundasina awor pagalo jeung galindengkuro. Cara nu kungsi kapireng dinalagu kasidah Sunda pop sanggianUbun nu dihaleuangkeun kuNanang Kosim dina awal taun 90-antéa. Sageuy teu matak sieup.

Pidangan ‘Festival Lagu SundaIslami’ nu bakal dipagelarkeunsabada tarawéh téh baris dipungkasku ngahaleuangkeun lagu ‘Ham-pura’ babarengan (sakumnapenyanyi), diwuwuh ku crew bariumajak ka sakumna hadirin.Netenggeran yén dina bulan suci téhgedé pisan barokahna dipaké médiasilaturahmi.**** (dian héndrayana)

Kacapian Harmonia Pingpinan Yadi Piteuk

Page 11: Mangle 2434

10 Manglé 2434

Bagian

167

Peuting ka-181

Syahrazad neruskeundongengna. Nyaritakeunlalakon Dahnasy nu tassasabaan ka nagrimanusa.

“Nembe teh tas tinagri nu kacida legana,”ceuk ieu jin lalakina tehmuka carita.

Di lebah nagri nukacida legana, ceukDanasyi, dirina turun kabumi. Terus leuleumpa -ngan ngadedengekeuncaritaan urang lembur.Apal weh, horeng eta tehkarajaan nu dipingpin kujelema nu teu dipkareseprahayatna. Karajaananamah beunghar kacida,malah raja teh boga istnanepi ka tujuh.

Nu cadi kembangcarita eta nagri, lainkabeungharanana. Tapi,putri raja nu sohorkageulisanana. Katelah -na Putri Budur. Kugeulis-geulisna, Dah-

nasyi ge teu bisangagambarkeunkaendahan ana. Nutetela, nu teu welehnyangkaruk dinaingetan ana, buukna nuhideng meles tur gom-plok, kulit beungeutnabodas beresih semu-semu beureum.

Panonna boborelakanlir mutiara. Gular-gilernahihideung panon lirborelakna inten nu ka-tojo panon poe. Cindek -na, nilik kanarurupanana, teu matakbosen ningali, malahmatak moho anu nenjo.

Sorana halimpu.Matak genah kadengena.Mun cacaritaana antarakalayan netes, tetelamaksuda. Kitu teh, ceukDahnasy gamabaran etapurti memang pinuh kupangarti.

Satrusna, ieu jin tehbruk-brak. Cenah, gam-baran kaendahan jeungkageulisan eta putri teh

estu nenggang tisasamana, malah asupkana susah keur nga-banding-bandingna. Da,memang cenah, eta putriteh hese digamabrakeun -ana ku kekecapan.

Peuting ka-182

“Ari pangna rahayatteu resepeun kanaparipolah rajana,kumaha?” ceuk Maimu-nah semu panasaran.

Dahnasyi nyaritadeui. Raja teh bengisnaker. Saha wae nu teudipikaresep ku dirina,bisa nandangan mamala.Hukumanana tara jeungijiran, lantaran ukur du-masar kana tinimbanganpribadina.

Raja Gayur, kitukatelah na. Eta teh rajagagah kacida. Loba nugimireun ku kakarangadenge ngaranna oge.Watekna, taya kasugema.Karajanana nu geus saki -tu legana teh hayoh weditamabahan ku caranaluk-nalukeun karajaansabudeureunana. Ku cara

kitu, eta raja teh beukibeunghar sarta kacidakasohorna.

Najan kaasupna rajabengis, ka anakna mah,ka putri tea, nyaaheunnaker. Sagala rupakabutuhan ana dicumpo-nan. Malah, naon wae nusakira-kirana pibunga-heun anak, tangtu di -pilampah. Malah, keurnyenangkeun hate anak,Raja Gayur ge nyieuntujuh kaputren di tem-pat-temap anu beda.

Eta tempat putrimewah naker. Dijieuntina rupa-rupa bahananu kacida mahalna.Tujuh kaputren teh, di-jieun tina rupa-rupabarang anu beda. Aya nudijieun tina emas, batu,permata, jeung sajabana.

Tujuh kaputren tea,ditempatanan mah ukurtujuh taun sakali. Da, sa-taun teh cicing di hiji ka-putren. Kakara mulangdeui ka tempat mimitisnaggeus nyorang taunka dalapan.

Kageulisan putri,tangtu we jadi kembang

Page 12: Mangle 2434

Manglé 2434 11

carita ka jauhna. Lobalalaki nu panasaranhayang nyaho di kieuna.Atuh, sohorna teh beukilila beuki namabahan.Nya ku lantaran kitudeuih jadi loba lalaki nungimpikeun hayangngawnagun rumahtangga jeung eta putri.

Ku lantaran kalung-guhan eta putri sakituluhurna, nu wani nga -lamar ge tangtu we lainjalma jore-jore. Lolobanamah para raja jeungpangeran pirajaeun.Ngan, najan loba nungalamar putri teh tetepnolak.

Raja mimitina mahteu bingung. Ukurnganggap meuereun canwaktuna hayang rimbi-tan. Tapi, sanggeusmangtaun-taun anggerwae, sarta loba lalaki nuditolak sapajodogan, rajage jadi hariwang.

“Naon pangna hidepnolak laki-rabi?” ceukraja.

Putri ngahulengsajongjongan. Geus kitu,paralak nyarita tatagnaker. Cenah, dirina tehboga karep jadi ratu numingpin umat manusa.Ku lantaran kitu, teumungkin dirina diping-pin ku nu sejen kaasupku lalaki.

Najan putri nolak,tetep we loba nu ngala-mar. Kahyang nu ngala-mar, memang teu togmolditepikeun ka putri raja,tapi ka kolotna ka RajaGayur.

Pipikiran raja teuweleh bingung. Lain teusatuju kana kahayanganak jadi raja disatung -kebing jagat, da kanakarep kitu mah satujupisan. Ngan, ceukpikirna, tetep we awewemah kudu boga salaki.Malah, dirina teh mi-

harep pisan boga turu -nan nu dirundaykeuntina rahim putrikameumeutna.

Ngabandungan pasi-patan putri kitu, raja tehbingung. Ngan, da teubisa majar kumaha. Teubisa maksa kanapakarepan anakna.Malah, raja teh ngarapaur bisi enya putri tegakana pati luluasanmungaks lalakon hirup.Apan, pokna ge upamaraja tetep maksa dirinakudu ngawangun rumahtangga, kajeun reknelasan maneh!

Ti mimiti harita, rajamarentahkeun balad-balad na sina nalinga -keun eta putri. Malah,

ahirna mah, eta putri tehteu meunang ka mana-mana, kudu tetep dilingkungan kaputrenkalayan pangawalana nukacida kuatna.

Ku lantarankaguelisanana, ceukDahnasyi, dirina gesaban peutingngalanglangan kaputrentempat Putri Budur. Ki-tuna teh, lantarankaseng srem hayangnempo kageulisan etaputri.

Ngadenge caritaanDahnasy kitu, Maimunahukur mesem. Dirina mahbangun teu kataji kucarita an eta jin teh.Cenah, moal enya ayaawewe geulis-geulis teu-

ing saperti nu dicarita -keun ku eta jin.

“Najan enya geulis,ceuk pikir kaula, moalkurup ari kanakakasepan anak rajamah,” ceuk Maimunah.Nu dimaksud anak rajaku eta jin teh, taya lian tiputra Raja Syahramantea nu keur diberok dipanajara.

“Naha ku naon kitueta putra raja teh?”

Maimunah nete-lakeun. Cenah, nukaranda pan ku eta lalakiteh teu beda ti nu ka -alaman ku Putri Budur.Cindekna mah, pada-pada nolak waktu kolot nanitah ngawangun rumahtangga. *** (Hanca)

Page 13: Mangle 2434

12 Manglé 2434

Ari indung Ujang Kusén,bubuhan padangabeberah, lila-lila nya

lipur, kari pasrahna. Tuluynamah Nyi Haji nya cara salakinabaé tirakat napakuran anak.

Hiji mangsa, mun poho téamah Ki Haji jeung Nyi Hajikeur meujeuhna popohona kaanak di pangbuangan, bet jol KiAsta, upas kabupaten, ngiwir-ngiwir surat ti kantor cenah.

Ku Haji Samsudin ditampa -nan bari dialak-ilik, da macamah teu bisa, bisa sotéh aksaranu ditulisna ti katuhu ka kénca.

“Surat naon cenah, Asta?”ceuk Haji Samsudin bari soranarada ngepér, reuwas, ma’lumatuh jaman harita mah munaya jalma partikulir narimasurat ti kantor téh, leuh, matakgeumpeur enyaan, sabab biasa -na sok aya urusan bangga.

Asta: “Dawuhan JuraganMantri mah serat ti tuang putra, ti Surabaya.”

“Ti Surabaya?” cék HajiSamsudi jeung bojona manibareng. “Kumaha badaratnasaur Juragan Mantri?”

“Duka teuing,” walon Asta,“malah kukupingan téh kawitnamah Juragan Haji badédihatura nan ka kantor, nangingtimbalan Juragan Patih bilihmatak ngabarubahkeun, nya la-jeng miwarang disanggakeun

baé ku abdi.”“Heueuh, jung atuh bisi

manéh rék balik deui mah, koptah keur meuli bako!” cék KiHaji bari ngagolérkeun bénggolopat siki ka hareupeun UpasAsta.

Nu “Diawur duit” haripeutpisan ngarawuna bawaning kuatoh, boga keur meuli bakosatengah bulaneun, manidodongkoan nganuhunkeunbari pamitan.

“Surat naon cenah, anjeun -na?” cék Nyi Haji geus teusabar. “Boa Si Ujang geus teuaya dikieuna.”

“Ih, Ibuna mah sagala téhngan sok diudagkeun kanapangganggeusan baé!” walonsalakina bari memener dastar.“Anggur prak-prak dangdan,urang ka Mas Tanu méntapangmacakeun surat,” baringagero ti panto tukang:“Jamil, Jamil, béjakeun ka SiAsan, masang bendi kituh! Teukudu mawa lopor.”

Teu lila Haji Samsudinkadua pamajikanana geus an-jeucleu dina bendi, dikusiranku Asan ngajugjug imah MasTanu, pokrol di Pasirkaliki.Kuda na ditegarkeun awahinghayang geura datang.

Mas Tanu kadatangandedeng kot pasar téh geusrebéh-rebéh baé irungna, sabab

biasana talenan opat baé mahmoal teu digolérkeun. Barimemener bendo perekos cakah-cikih ngampar samak jeungngageroan pamajikanana nitahngaku sémah.

“Lah, keu baé Ki Mas!” cékNyi Haji, “Aceuk téh puguhkeur rusuh; atos baé kieu, ulahnyesahkeun.”

“Ah, teu teusing,” cék soraawéwé di jero, mangnémbalan -keun, sihoréng bojo Mas Tanu,norojol.

Geus saréréa merenah, pokHaji Samsudin ngomong: “Ieutéh, Mas, diburu gancangnabaé, Akang téh kadatangan SiAsta, mawa surat ti kabupatén,magar téh ti Si Ujang diSurabaya...”

“Enya, ari Aceuk, sieunsurat panungtungan, amit-amit...” Nyi Haji nambalang.

“Engké atuh lanan, Ibuna,saurang-saurang nyarita téh,apan ieu gé keur diterangkeun!”cék Ki Haji rada heuras,keuheul ditempas. “Tah, geuskitu, Mas, ari cara Akang mahrumasa tinemu, teu sakola ieuh,cing ieu surat pangmacakeun,”bari ngodok surat tina pésak,disodorkeun ka pokrol.

Ku Mas Tanu ditampanan,dibaca alamatna basa Malayu,tetela ka Tuan Haji Samsudin,sudagar di pasar kota Bandung.

Béréwék amplopna disoéh -keun. Nyi Haji mani déngdékmasang ceuli, bisi aya eusi suratnu teu kadéngé. Galantangdibaca, bet basa Sunda, suratna

pondok tapi tetela:

Sareng Hormat,Kalayan Hibar pangdoa

Ama miwah Ibu, abdi salamet.Ku kamurahan tuan sipir, abdikawidian nyeratan. Haturkeunsalam abdi ka sadaya parawargi sareng sobat-sobat;nyuhunkeun pangdo’ana, mugiGusti Allah ngersakeun mapa -rin kaénténgan kana hukumanabdi, sareng mugi-mugi abdidipaparin kakiatan sarta rah-mat salamina nandangan co-cobi.

Ku margi keur waktos miosteu kabujeng amit-amitan,mugi ka sadaya para wargisareng sobat-sobatpangnedakeun panghampurasamukawis kalelepatan abdi,supadot ka abdi teu jadi bang-baluh batin sabot nuju prihatin.

Ama-Ibu, abdi nyangga -keun pertobatan sarengnyuhunkeun pangdo’a.

Bekas putraKusén.

Nyi Haji teu kawawa nahankagagas, surat sirikna teu di -rebut tina leungeun Mas Tanu,diadekkeun kana dadana, baringucap sukur alhamdulillah;geus teu nolih cimata anu ti tadidiumbar, da teu kaampeuh. AriKi Haji, bubuhan lalaki, henteunepi ka ceurik mah, ukur balembari nadahkeun leungeun dua-nana, ngucap sukur ka Rabul-alamin.

{ 4 }Ku M.A. Salmun

Page 14: Mangle 2434

Manglé 2434 13

Unggal indung nu cara NyiHaji,

mo tahan cipanon, haté indung asa dijejewet, aya atoh kagagas jeung

sedih, bungah campur inggis, ras anak di jauh.

Kasangsaraan nyandangranté beusi,

dibui, diberok, haté indung peurih

tingsérédét, seseblakan mun ka anak

éling, atina ngajerit, nyambat ka Nu Agung.

Nu biasana buruhan macaukur tengahna dua siki téh,harita mah Mas Tanu nampa -nan ringgit dua, duméh HajiSamsudin keur asa kagunturanmadu, nampa surat pertobat tianakna; jeung ngabéjakeunkaayaanana salamet.

Heuleut tilu poé ti harita diimah Haji Samsudin aya hajatrongkah, nu diondang jaba tibaraya-baraya, babakunasobat-sobat Ujang Kusén;sumawonna anu kanyahoanloba, anu ngan ukur kabéja -keun wawuh munding ogé, bohbangsa urang, boh Walanda.Tionghoa atawa Arab dihajadiondang.

Dina tengah-tengah ngari-ung téh, Nyi Haji –nu keukeuhpeuteukeuh hayang ngayakeunriungan—ngawakilkeun ijabkabul ka Haji Bakri nu kongasbisa biantara, nerangkeunmaksud na hajat, nepikeunpaneda ka Ujang Kusén, méntapangampura jeung pangdo’asaréréa.

Harita mah sok sumawon -na geus aya radio atawa nyebarkoran cara kiwari, patalimargaogé seuseut seuat kénéh pisan,jadi urang Bandung teu kabéja -keun bab kajadian di Palabu -han Surabaya téh, tapi kukaidinanana Ujang nyuratan kakolotna ogé, pikeun jamanharita mah geus cukup geusanngira-ngira yén Ujang Kusén dipangbuanganana tinangtu bogajasa gedé, malah teu saeutik nuboga pangira, yén hukumananatangtu diampun ku pangagung.

Ti saréngsé hajat, Nyi Hajikatémbongna jiga nu rék pulihenyaan, maké daék suba-sabaka baraya-baraya nu landes;pikirana jiga lipur, teusararumpeg cara méméhnampa surat. Surat téa sasatna

dipijimat. Diteundeunna gédina pepeten paranti ngampi-han emas-inten. Mani siriknateu dikukusan.

*

Kira-kira lima genepminggu ti harita, dayeuh Ban-dung keur meujeuhna hehegar -na, pasosoré hadé poéna,tara-tara ti sasari, Nyi Hajimaké hayang ngalong di panto,salakina jeung anak-anakna nulalaki ngariung tukangeuntingkeban nu ngahaja di -ablakkeun; keur guntreng baébadami bab dagang, uplekpisan.

Jol Ki Asta bareng jeungjalma teu wawuh, pupuntenanadab pisan.

“Bagéa, Ki Asta,” cék NyiHaji, “Kuring mani pangling;biasa nénjo Ki Asta dibaju hi -deung maké polét ari ieu mare-man. Aya naon?”

“Dawuh Nyimas,” walonAsta, “ieu ngadeuheuskeun punArsali, réncang tuang putra tiSurabaya.”

Nu keur beradami di tepascuringhak, jep ngaromongnaareureun, malah Haji Samsudinmah nyampeurkeun barinanya: “Ti Surabaya? Ké, kélanan, ti Surabaya kumaha?”

Asta: “Teu pindo damel, tiSurabaya. Tadi enjingdongkapna nganggo kahar posnu ti wétan. Saparantosnawiskeun serat katerangan kasakaut sareng ka kabupatén,teras nyuhunkeun di-anteurkeun milarian bumiTuan Haji, margi di dieu tuma -mu pisan. Jalaran tadi énjingmah abdi seueur damel, nembekabujeng kadeuheuskeun ayeu -na.”

“Emh, kitu,” ceuk HajiSamsudin. Dina haténa geusngajudi, yén tangtu jurungananakna. Bisi aya carita nu teuhadé kadéngé ku batur, tuluydiajak ka jero baé.

“Nam, ka dieu ka jero.Urang di ditu baé dipatenga-han, Ibuna, ngarah teu ka-giridig. Peundeutkeun baétingkeban mah barudak!”omong Ki Haji.

Di tengah iah pribumijeung tatamu ngariung;sanggeus ditanya, pok Arsalinurutan tikukur, ngabéjakeunmanéh, ditéma ku nyaritakeunbatur sakamarna, kenék tém-bok palabuhan ngaran Kusén;tungtungna so nyodorkeunsurat ti Ujang Kusén, sakali ieumah ditulisna ku aksara Arab.

Dina surat dicaritakeun yén

Arsali téh sasatna mah duluranu pohara satiana, batussakokoh-sainum, sakanyeri-sakapeurih, minangka tanggeuynu milu nyangga beuratnahukuman, da saréatna mun teuaya Arsali mah Ujang Kusénsamar kuat nandangansangsara.

Dina suratna, Ujang Kusénsanget-sanget neneda ka ibujeung Ama, supaya Arsali diakucara ka baraya landes. Dicarita -keun, yén dibui sotéh keunapitenah, lain jahat lain gorénglampah.

Saterusna, Ujang Kusénnyaritakeun bab kaayaan dirinaditungtungan ku ménta di-doakeun.

Teu dicatur ceurikna NyiHaji, atoh pacampur kagagas.Ti harita Arsali pada ngariung-riung baé ku baraya-barayaUjang Kusén, ditanggap,lalakonna. Meunang saminggumah ku Ki Haji Samsudinsasatna didagangkeun kabaraya jeung kawawuhanana,malah nepi-nepikeun surat tisipir geusan ka sobat-sobatheubeulna ogé dibarengan kuKi Haji bari dijejeran. Di ditumah Ki Haji jeung Nyi Hajimulang keun kahadéan Arsalika Ujang Kusén. (hanca)

Page 15: Mangle 2434

Najan jero bulan Romadonsétan katut kulawedetna di-cangcang sapageuh-

pageuhna rupa-rupa kamasiatankawas taya sudana. Upamanawarung nasi, rumah makan jeungréstoran angger réa nu muka usaha -na ti isuk-isuk. Tempat-tempat hi-buran loba nu teu nolih kana aturanagama sarta darigama. Tempat-tempat nu nyéwakeun kaulinansaperti ‘play station’, ‘games online’,jeung sajabana teu saeutik nu nga-haja dibuka ti wayah duha. Atuhpuguh baé keur nu kurang imanmah aya cukang komo meuntas.

Godaan sétan mémang luarbiasa. Dina Al-Quran dijelaskeunAdam AS kungsi katalikung ku iblis,dedengkotna sétan. BalukarnaAdam AS diusir ti Sawarga. Keunsual aya perbédaan paham ngeuna -an ma’na Sawarga mah. Sabab saés-tuna nu leuwih penting, urangsalawasna kudu iatna tina sagalarupa kamungkinan godaan sétan.Lantaran nurutkeun Al-Quran sétantéh musuh bubuyutan nu nyata.Nyata hartina lain fiktif.Bungkeuleukan. Aya jirimna. Iwal tikitu sétan mah tara “neuleu beu -ngeut”, kakolotan, kalungguhan,popularitas, jeung saterusna. Nugeulis, nu kasép, nu goréng (patut),nu geus cukup umur, nu ngorakénéh, nu katelah bangsawan, nukatelah kuricakan, nu kawentar, nuteu kawentar, jeung saterusnakabéh ogé baris digoda. Didagoanbalangahna. Salilana!

Al-Quran ngagambarkeun goda -an sétan ka manusa téh lumang-sung terus-terusan nepi ka poéKiamat. Ngagodana ti saban mad-

hab; ti katuhu jeung ti kénca, tihareup jeung ti tukang, ti luhurjeung ti handap. Ti mamana jeungti saban waktu. Éstuning urang téhdidodoho iraha bongohna. Kajaba tiéta sétan ngararancang strategi nukaitung beurat ngungkulanana.Nurut keun Al-Quran sakurang-kurang na aya salapan rupa strateginu digunakeun sétan keur ngagodamanusa. Naon baé? Kahiji, strategiwaswasah. Hartina diharéwosan su-paya poho. Béh dituna diharéwosansupaya mopohokeun kana migawékahadéan. Datang waktu salatLohor majar téh kagok keur nga-hangkeutkeun laporan keuangan.Datang waktu salat Asar majar téhkagok keur kapegat ku macét.Datang waktu salat Magrib majartéh kagok da kakara nepi ka imah.Datang waktu salat Isya majar téhkagok da kaburu tunduh. Datangwaktu salat Subuh majar téh kagokda tunduh kénéh. Tungtungnakapopohokeun. Kaluli-luli teu kapi-gawé. Kadua, strategi tazyin.Hartina dibungkus ku kaéndahanatawa ku kani’matan. Sakur ka-masiatan katénjona éndah sartakarasana sugema turta ni’mat.Umumna nu keur bobogohankatempo sugema sarta ni’mat. Moalpamohalan ceuk rarasaana dunyatéh milikna duaan. Najan kudungaluarkeun duit mangratus-ratusréwu malah boa mangjuta-jutasakali jalan-jalan arang langka nungarasula. Geura bandingkeunjeung nu geus jatukrami. Umumnanu geus resmi jadi salaki jeung pa-majikan katempo kurang layeut.Témpona kudu ngaluarkeun duitnajan diasongkeun jeung dompétna

bisa jadi duit nu bareureumna mahgeus disumputkeun. Kétang najanteu disumputkeun ogé, kadang-kadang sok ditalék mun pamajikantas balanja raratusan réwu téh.Naha paké meuli naon? Katilu,strategi tamanni’. Hartina diwujukku angen-angen jeung harepan rékhirup lana. Bisa jadi urang kungsingarencanakeun rék salat Tahajud.Malah wéker ogé geus disetélkeun.Ngan waktu wékerna “ngahudang -keun” kalah buru-buru di-pareuman. Ceuk jero haténa isukanbaé. Bisa jadi urang geus tatan-tatan rék ngalaksanakeun tobat na-suha. Ngan waktu tinemu deuijeung pidorakaeun urang angger teubisa nyingkahan. Rupaning ka-hadéan ku urang sok diéngké-engké. Padahal saha nu nyaho? Boateuing kaburu ngajadi bangké?Kaopat, strategi a’dawah. Hartinadijongklokkeun kana ‘perangkap’mumusuhan jeung papadana.Umumna dimimitian ku sakwa -sangka goréng. Atawa suudon.Kaha déan papadana disumputkeunsabuni-bunina. Sabalikna, kagoré -ngan papadana dibolékérkeunsapurati na. Mun urang geuskakeuna an ku sipat suudon étahartina geus abus kana ‘perangkap’sétan. Kalima, strategi takhwif.Hartina dibangbaluhan ku kasieun,kamelang, kahariwang, karémpan,jst. Bisa jadi urang kaasup jalmaaya. Ngan nalika aya dulur-dulururang nu merelukeun bantuan,urang teu wani ngaluarkeun ban-tuan ka maranéhna. Lantaran sieunkacocéng téa. Malah dipapagahankudu ngaluarkeun zakat ogémumul. Lantaran ngarasa harta

Ibadah SaumNyingkahan Godaan Sétan

Ku Mahmud Yunus

14 Manglé 2434

Page 16: Mangle 2434

beunang na téa. Kagenep, strategishaddun. Hartina tarékah nga -halang-halang ngalaksanakeunparéntah Alloh SWT jeung Rosul-Na. Saban aya kasempetan keurngalampahkeun kahadéan aya baéhalangan-harungana. Rék salat bar-jamaah majar téh jalana leueur. Réksidekah ka pakir miskin majar téhanakna geus teu bogaeun pulsa. Rékdaptar ngalaksanakeun kawajibanhaji majar téh kaburu aya tatangganu nawarkeun sawahna. Rék diajarngaji majar téh éra da puguh geustamat paguron luhur. Mun ngagugukana alesan-alesan bieu, hartinageus katalikung ku sétan. Katujuh,strategi wa’dun. Hartina tipu dayapalsu. Sétan lihéy ngobral jangjipalsuna. Bisa jadi loba jalma nukabéngbat ku jangji palsuna. Upa-man, cawéné nu diosolan ku sétansangkan geura-geura masrahkeundirina ka bébénéna. Sanggeusmasrah keun dirina malah geuskakandungan ternyata bébénénakabur teuing ka mendi. Kadalapan,strategi kaidun. Hartina tipu daya.Strategi kaidun ieu digunakeunkeur ngagoda jalma nu kabenerandibéré amanah. Upamana baé,panitia pangwangunan masjiddipeto kudu ngawangun masjid jerodua taun. Taun kahiji inyana haré-haré teu ngalaksankeun tugasnakalawan daria. Disangkana duataun téh lila. Kocap taun kaduabeuki nyantek, inyana kakarakatémbong sibuk. Pigawéeungurung gusuh dianggeuskeun. Dike-but. Pamustungana hasilna teuopti mal. Malah bisa jadi pagawéanacacag nangkaeun. Kasalapan,strategi nisyan. Hartina poho.Hususna poho kana kawajiban. Mé-mang poho téh awalna mah normal.Dina Islam ogé dima’lum jalma nupoho mah. Upamana najan urangnabarangdahar ti beurang padahalurangna keur saum Romadon, aribener-bener poho mah saumna teubatal teu sing. Ngan mun remenjangji jeung remen sulaya tina jangjiieu hartina kudu waspada. Boa-boaurangna geus kaeurad ku strateginisyan téa. Na’udzu billaahi mindzaalik. Kumaha carana mun uranghayang lulus banglus, salamet jeunglungsur langsar nyingkahan godaan

sétan?Kahiji, ihlas lillahi ta’alaa. Sahé-

bat-hébatna sétan serah bongkokanka jalma-jalma nu ihlas. Salihéy-lihéy na sétan boboléh ka jalma-jalma nu ibadahna lillahi ta’ala.Kaunggel dina pidawuh Alloh SWT:“Pok manéhna nyarita: “Ku kituna,demi kamulyaan Gusti, sayaktosnaabdi badé nyasarkeun maranéhnasadaya. Kajabi abdi-abdi Gusti nuarihlas ti antawis maranéhna” (QSShad [38] : 82-83). Syaikhul IslamIbnu Taimiyah nyarios: “Alloh SWTnguji ka abdi-abdina nu ariman kurupa-rupa ujian. Tegesna ku rupa-rupa godaan. Ngan Alloh SWT ogéngalélérkeun rahmatna mangrupakaihlasan. Ku kaihlasan maranéhnakaduga nyingkahan rupa-rupagogoda téa (QS Yusuf [12] : 24).Kadua, ngabiasakeun maca Al-Quran beurang jeung peuting.Dijelas keun dina hadits nu dikalu-arkeun ku Abu Dawud ti AbuQatadah RA, Rosululloh SAW kan-tos ngalangkung ka bumi Abu BakarRA sareng Umar RA, harita dua-nana nuju sarolat Tahajud. Dinatungtung hadis dicarioskeun Rosu-lulloh SAW tumaros ka Umar, ku-naon pangna anjeunngajaharkeun/ngabedaskeun macaAl-Quran? Anjeuna ngawaler:“Ambéh nu sanés garugah sartasangkan sétan sarieuneun”. Hadisbieu diniléy sahih ku kersana SyékhAl-Albani. Katilu, maca Surat Al-Baqoroh. Dina salasahiji hadis nuasalna ti Abu Hurairoh RA, Rosul-ulloh SAW ngadawuh: “Anjeun ulahngajadikeun imah-imah anjeunsaperti kuburan. Saéstuna sétanbaris ngabecir lumpat ti imah-imahnu di jerona dibacakeun Surat Al-Baqoroh” (HR Muslim). Kaopat,maca Ayat Kursi saméméh saré.Neueul kana hadis sahih nu diri-wayatkeun ku Bukhori, Abu Hu-rairoh RA hiji waktu néwak jin.Satuluyna dijelaskeun, jin ngajar -keun ka Abu Hurairoh RA cara-caranyalindung tina godaan sétan. Ceukjin, anjeun kudu maca Ayat Kursisaméméh saré. Sakur nu maca AyatKursi saméméh saréna baris di-jauhan ku sétan nepi ka isukna.Nalika Abu Hurairoh RA pependaksareng Rosululloh SAW, perkara

bieu ditaroskeun ka anjeuna. SaurRosululloh SAW: “Nu diobrolkeunku manéhna bener, najan manéhnaremen ngabohong” (HR Bukhori).Kalima, maca Surat Al-Falaq jeungSurat An-Nas. Nyindekel kanahadis sahih riwayat Abu Dawud,Uqbah bin Bari RA disunahkeunmaca “al-mu’awwidatain” (Surat Al-Falaq jeung Surat An-Nas) kuRosulu lloh SAW. Rosululloh SAWngadawuh: “Yeuh, Uqbah! Anjeunkudu nyalindung tina godaan sétanku cara maca “al-mu’awwidatain”.Lantaran euweuh deui tempatnyalindung nu leuwih tohaga tibatan éta” (HR Abu Dawud). SuratAl-Falaq jeung Surat An-Nasdisunah keun dibaca: isuk-isuk, pa-sosoré, saméméh saré, saentasnasalat, (saban) ngarukiyah nukatarajang sihir, (saban)ngarukiyah nu gering, jsb. Kagenep,ngucapkeun Tahlil 100 kali. Dinahadis sahih Bukhori jeung Muslimdijelaskeun Rosululloh SAWngadawuh: “Saha nu maca “Laailaaha illalloohu wahdahu laa syari-ikalah. Lahulmulku wa lahulhamduwa huwa ‘alaa kulli syaiin qadiir”100 kali jero sapo sapeuting, pikeunmanéhna (dicatet) ganjaran nusapadan jeung ngabébas-merdékakeun sapuluh hamba sa-haya jeung baris dicatet saratuskahadéan jeung baris dipupus sara-tus kagoréngan. Satuluyna barisdibénténgan tina (godaan) sétan tiisukna nepika soréna” (HR Bukhorijeung Muslim).

Kajaba ti nu geus dibéréndél -keun bieu, sétan jeung kulawedetnaogé teu wanieun nyanghareupanjalma nu sok maca basmalah (bis-millahirrohmanirrohiim). Bas-malah disunahkeun dibaca sabanrék migawé kahadéan. Upamanabaé mun rék ka luar ti imah, munrék dahar, mun rék ngarot, mun réksapatemon, jsb. A’udzu bil-laahissami’il ‘aliimi minasyai -thoonirrojiim ***

*) Nu nulis Ketua DKM Man-baul Ulum SMA Negeri 1 BanjarKota Banjar

Manglé 2434 15

Page 17: Mangle 2434

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS

Adab Buka Puasa

Patarosan:

Ais Pangaping Tanya Jawab MunaraCahya anu dipihormat, tumaros masalahnu aya patalina sareng ibadah saum. Anujanten patarosan teh, kumaha adabatanapi tatakrama buka puasa anudiconto keun ku Rosululloh SAW? Haturnuhun.

Arif RomadonCikole Lembang Bandung

Waleran:

Sami-sami hatur nuhun kana sagalarupi perhatosanana. Sakumaha anu kauninga ku urang sadaya, wiréh sasihRoma don mangrupa “Sayyidusyuhur”nyaéta rajaning bulan. Disebat raja bulanmargi dina bulan ieu, pinuh ku kaberka-han sareng pinuh ku ganjaran anudilimpahkeun ka hamba-hamba Allohanu turut kana paréntah-Na, hususnadina masalah ibadah puasa di bulanRoma don. Dina ngalaksanakeun ibadahpuasa utamina puasa Romadon tangtuaya adab atawa tatakramana, supadosurang tiasa ngahontal barokah sarengganjaran. Salasahijina nyaéta adabtatakrama dina ngalaksanakeun bukapuasa, atawa anu disebut “ta’jil”.

Buka puasa dina basa Arab disebat“ifthar” hartosna tuang-leueut, atanapidisebut ogé ‘ta’jil” anu hartosna “gan-cang” atanapi “buru-buru dina ngalak-sanakeun hiji perkara”. Patali sarengibadah puasa, “ta’jil” maksudna nyaétaburu-buru dina ngalaksanakeun bukapuasa, ulah diengkékeun saupama toscunduk kana waktuna. Hal ieu luyusareng nafsu jalma, saupama tos datangwaktu buka puasa (waktu maghrib)urang tara ngengkékeun deui, sok lang-sung buka. Kahayang nafsu ieu, saéstunacocok pisan sareng paréntah atanapi sun-nah Rosul, wiréh Rosul maréntahkeun kaumatna supaya buru-buru buka puasa(ta’jil) saupama tos manjing waktuna.

Ku hal kitu, ta’jil atawa buru-burudina ngalaksanakeun buka puasa kaasup

kana bagian adab tatakrama buka puasaanu disunnahkeun ku Rosululloh SAW,sakumaha pidawuhna: “Satiap jalmapasti bakal terus aya dina kahadéan salilamaranéhna ngutamakeun (buru-buru)dina ngalaksanakeun buka puasa” (HR.Bukhari-Muslim). Lajeng adabtatakrama buka puasa lianna anudisunnah keun Rosul nyaéta:

Kahiji, nuang rutab atanapi tamar.Rutab nyaéta buah kurma anu tos asaktur masih kénéh baseuh ngandung cai,rasana amis. Sedengkeun tamar nyaétabuah kurma (rutab) anu tos garing. Ki-wari di nagara urang dua jinis buahkurma éta tos teu sesah milarianana,hampir di satiap daerah/kota tos ayajualanana. Buka puasa ku kurma mang -rupa sunnah Rosul, sakumaha disebat -keun dina Hadits anu sumberna ti AnasR.A., anjeuna nyebatkeun: “Wiréh Rosu-lulloh SAW buka puasa nuangsababarahiji rutab saméméh solat.Saupama henteu aya rutab mantennanuang sababarahiji tamar. Saupama hen-teu aya tamar mantenna cukup buka kungaleueut cai” (HR. Imam Ahmad sarengTurmudzi).

Kadua, saatos buka puasa kedahmayunkeun solat magrib. Hadits di luhurnyebatkeun wiréh saméméh ngalaksana -keun solat Magrib, Rosul ngalaksana -keun buka puasa heula, saatosna bukapuasa teras ngalaksanakeun solat Mag -rib, saupama tuangeun teu acan disadia -keun. Tapi saupama tuangeun tosdisadiakeun mangka makruh hukumnangalaksanakeun solat. Hal ieu dumasarkana hadis-hadis Nabi, di antarana waéanu sumberna ti Anas bin Malik R.A.wiréh Rosululloh SAW ngadawuh:“Saupama di waktu magrib idangan tosdisayagikeun, mangka kedah dituangheula saméméh solat Magrib. Jeungpoma aranjeun ulah kaleuleuwihan(wareg teuing) dina nuangna” (HR.Bukhori-Muslim). Para ulama hadisngaharti keun kana hadis ieu, saéstunalian dina waktu solat magrib wungkul,tapi unggal datang waktu solat. Tegesna,saupama hidangan tuangeun tosdisayogi keun sedengkeun waktu solat tosmanjing, mangka kudu diheulakeun

tuang heula, nembé ngalaksanakeunsolat. Sabalikna, saupama hidangantuangeun teu acan disayogikeun,sedengkeun waktu solat tos manjing,mangka langkung saé anu kudu di-heulakeun solat heula, nembé tuang.Nyakitu deui Rosul, saatosna buka puasa,teras Rosul ngalaksanakeun solat Magribbarjamaah sareng para sohabatna dimasjid. Saatos réngsé solat Magribnembé Rosul tuang-leueut sacekapna.

Katilu, buka puasa kudu alakadarnaatawa sakadar ngabatalan. Nalika bukapuasa poma ulah nepi kaleuleuwiheun(kamerkaan). Pidawuh Alloh: “Prakaranjeun tuang sareng ngaleueut. Pomadina tuang sareng ngeleueut ulahkaleuleuwihi (sarakah), saéstuna GustiAlloh henteu suka ka jalma-jalma anusarakah” (QS. al-A’raf: 31). Dumasarkana katerangan ieu, saéstuna lakuleuleuwihan dina sagala perkara henteudimeunangkeun, tapi kudu sacukupna.

Kaopat, maos doa nalika buka puasa.Hal ieu dumasar kana Hadis Nabi SAWanu unggelna: “Saéstuna pikeun jalmaanu puasa ngabogaan doa anu moal di -tolak nalika manéhna buka puasa” (HR.Ibnu Majah). Ku hal kitu, urang meu-nang ngadoa naon waé anu sakirana pi-maslahateun atawa ngadoa luyu jeungnaon-naon anu dibutuhkeun. Namungsaupama urang nyonto Rosul, nalikabuka puasa mantena sok ngadawuh: “Tosleungit rasa halabhab, ogé tos leungitrasa garing tikoro, kalawan tos ditetep-keun ganjaranana, Insya Alloh” (HR. AbuDaud). Atanapi maos doa anu tos ilaharku urang dibaca, nyaéta Allohumma lakashumtu wabika amantu wa’ala rijkikaakrortu birohmatika ya arhamarrohim.

Dumasar kana pedarana di luhurtiasa disimpulkeun, wiréh tatakramabuka puasa nyaéta: Kahiji, ngalakukeunta’jil, hartosna saupama tos manjingwaktu buka puasa, mangka kudu nga-heulakeun buka puasa saméméh naon-naon, kalayan dingawitan ku nuangkurma. Kadua, saatos buka puasa terasngalaksanakeun solat magrib di masjidkalayan barjamaah. Katilu, saatos solatmagrib, nembé Rosul tuang-leueutsacekapna.Wallohu ‘alam. ***

16 Manglé 2434

Page 18: Mangle 2434

17Manglé 2434

Ngadenge terus diimeutan kalawanniténan rupaning kaayaan kiwari diieu nagri matak tugenah manah jeung

matak pikahariwangeun. Rek teu kitu kumahaatuh rupaning kajadian nu patula patalinajeung pasoalan hirup jeung kahirupan, geusmengpar jauh ti nu ajen inajen filosofis ieubangsa.Ti poe ka poe, piligentina masalahhirup jeung kahirupan. Wajar kituna mah damemang hirup jeung kahirupan teu cicingdina hiji kaayaan, tapi ieu nagri matak ketirtur pikamelangeun. Ti mimiti musibah alamalatan gawe manusa nu ngalantaran keun ieubangsa jeung nagara nandangan bangbaluhanu sakitu beuratna. nepi ka alam soranganjadi murka. Ceuk beja deui wae yen nagaraurang teh boga hutang nepi ka 2000 triliun.Memang nurutkeun dalil, yen nganjuk tehhukumna sunah jeung aya pahalana, tapingaranna hutang, wajib hukumna kudu diba-yar, ari wajib tea mun teu dilakonan matakdosa, rahayat nu kudu nandangan dosanaatawa pamingpinna? Piirahaeun rek bisa naurhutang sangkan lunas? Eukeur mah eukeurkaayaan kitu, dibarung deui ku teu euleum eu-leumna jelema anu beuki.

Mahabu anu korupsi di ieu nagri dilakonanlain ku jalma jore-jore, tapi teu kurang-kurangjalma nu nyarekel kalungguhan publik. Atuhdeui dina kacerekna eta Si Koruptor, duit anubalikna deui ka nagara biasana teu sabaraha,nu matak ketirna deui, korupsi dipilampah kumasarakat handap. Korupsi siga nu geus di-anggap budaya, padahal pamarentah kurangkumaha geus nyieun hiji lembaga pemberan-tasan korupsi (KPK), eh da kawasna teh geusteu dipalire.....cilaka!!! Jeung boa boa, korupsiteh kawasna geus bisa diatur ”dimanage” bisadiitung untung rugina sacara materiil, munkapanggih. Lakulampah goreng patut kitu tehbalukar hayang meunang kasenangan anugancang, tapi ku lakulampah kitu, nga-balukarkeun loba jalma anu katalangsara diieu nagri. Pasualan sejenna deui loba keneh,ti mimiti budak nandasa indung, pon kitu deuiindung nandasa budakna. Mahabuna riribu-tan ‘tawuran’ barudak ngora minangkaharepan bangsa. Kitu deui teu kurang-kurangkacaritakeun budak nu teu tamat sakola dasar,

maragatkeun nyawa baturna alatan teu pira,ukur ku duit sarebu. Eta kalakuan kitu teh,alatan narurutan anu diputer dina pilem.

Di sagedengen eta, barudak hariweusweus,alatan nyanghareupan Ujian Nasional, nuceuk beja di sabagian daerah cenah elatdatangna soal ujian, katurug turug deuih kere-tas ujianna ge goreng. Atuh loba komentar tiditu ti dieu, kaasup ti para ahli, nu cenahngaku ahli pendidikan. Eta hal dibarengandeui ku milu riweuhna guru guru jeung paja-bat-pajabatna, lantaran sieun budak didiknateu lulus. Siga nu teu kapangaruhan ku kaja-dian-kajadian tadi, meh ampir di unggalkaramean desa sumawonna kota ting jaredikspanduk spanduk minangka salah sahijimedia dagang ti rupa-rupa partey pulitik keurngadagangkeun anggota parteyna cenahjaradi pajabat publik, boh di eksekutip boh dilegislatif, nu cenah ceuk bejana, deuk bebelakana kapentingan rahayat, mun tea bener,meureun hade naker eta hal teh. Nu rada teukaharti deui, mun urang ngabandungandiskusi-diskusi publik, anu bejana mah keurkapentingan informasi publik dina mediaelektronik, tembong naker jalma anu hog hagting corowok siga nu geus teu mikiranmasarakat anu keur susah ngejo-ngejo acan,kitu deui keur nyumponan hirup sapopoenajeung siga nu teu ngarti yen teu kabeh rahayatngarti kanu naon nu diomongkeun. Salain tieta cek ukuran norma adat timur mah asanakurang hade laku kitu teh, nu aya mah nganjadi tongtonan kawasna sinetron lain jaditungtunan. Urang sok nyakseni deui kajadianpaciweuhna di pangadilan, nalika putusanhakim, aya masarakat anu teu panuju kana etaputusan. Nu jadi pananya, naha masarakatnaanu teu ngarti kana urusan hukum atawa ka-putusan hukum anu teu adil, mun kitubalukarna sarua bae. Ku kituna, masarakatkudu melek kanu sisi hukum atawa leuwihparnana deui lamun anu kadua, mun teabener kitu petana, kamana deui atuhmasarakat rek neudeun kapercaya jeungharepan ngeunaan kaadilan. Lain ngan ukurnarkoba nu geus ngarusak lain wae ka baru-dak ngora tapi deui nepi ka kolot kolotna. Nuparnana deui, yen disnyalir cenah nagaraurang teh lain wae nagara transit narkoba, tapijadi nagara tujuan pasar narkoba. Ceuk infoBNN jalma-jalma nu tilar dunya alatannarkoba, sapoena teu kurang ti 40 urangna...Warta sejenna, premanisme nu kacidasadisna, ngaleungitkeun nyawa jalma ku bedil(sanjata api). Kitu deui kajadian ajadian diluarnagri, lain wae era tapi ngerakeun, sapertidemo TKI di nagara deungeun anu ceuk bejasok disebut pahlawan DEVISA, tapi katem-

pona meureun kurang kapalire sisi perl i -ndunganna....jeung loba deui kajadian anusamodel kitu. Nepi ka olah raga nu jadi kare-sep balare nyaeta maen bal, suporter tawuranmassal lain wae di jero lapang tapi nepi kaluarlapang, balukarna jalma nu teu tuah teu dosamilu jadi korban. Hal sejenna nu geus ngabu-daya utama na di kota-kota gede, loba macaSMS tibatan maca Quran, jeung deui upamangeusi pulsa 10 rebu teu puas tapi mun ngeusikencleng ‘kotak amal’ 10 rebu pajarkeun gedeteuing, mun ngadenge sora HP, teu siriknaburu buru ngarespon, tapi lamun ngadengesora adzan, eh da siga nu torek. Naha bisa nepikakitu? Eta meureun pertanyaan nu aya...Salasahijina jawabanna, rahayat katut nagaraurang teh geus mopohokeun filosopisbangsana nu kudu dilarapkeun kalayan daria.Ka sing saha wae ti mimiti rahayat leutik,calon pajabat tug nepi ka para pajabat nu keurnyangking kalungguhan.Nginjeum istilahKetua Umum Paguyuban Pasundan Prof. Dr.HM. Didi Turmudzi, M.Si., mah carana ‘Kudunyaho, geus nyaho kudu hayang atawa daek,geus hayang aya kabisana jeung prakna,tangtuahirna aya tapakna’. Mereun mun kitu mahajen filosopis teh kudu diwanohkeun kasakumna warga nagara ti mimiti budak nepika kolotna. Sakadar ngingetan wae, yen urangminangka hiji bangsa ngabogaaan filosopislandasan bangsa nu geus natrat ti beh ditunakeneh nyaeta PANCASILA. Eta falsapahbangsa teh beunang hasil mikir asak-asak anujero ti sakumna masarakat Indonesia anudipercaya jeung yakin mangrupa kanyataan,norma, niley nu bener, adil bijaksana. Di sage-dengen eta, teu salah upama naon nu geusdirintis ku Alm. Taufik Kimas yen urang kudunganyahokeun jeung ngajalankeun opat pilardina ngalakonan hirup kumbuh berbangsajeung bernegara nyaeta PANCASILA, UUD,NKRI sarta karageman jalma. Nu jadi panga-harepan urang paling henteu kudu dimimitiantina ‘persemeyan’ nu subur nyaeta sacara for-mal ti mimiti budak sakola dasar nepi kapaguron luhur sangkan terus-terusanngawanohkeun (sosialisasi) ngeunaan hal eta,tug nepi ka aya jorojoyna kahayang nga-jalankeunnana. Hasilna, tangtu wae moal bisakarasa jeung katempo isuk atawa pageto, tapipaling henteu, jaga kahirupan urang moal teu-ing amburadul, copelna urang masih ngabo-gaan pakarang nu ampuh anu bisa nahanatawa ngadumaniskeun ajen-ajen nu ayajeung sababaraha ajen anu datang ti luareunurang.***

*) Kepala Biro Akademik Universi-tas Pasundan

Ngawanohkeun Deui Pancasila Ku Widya Utama *)

Page 19: Mangle 2434

Manglé 243418

Ngadagoan bijil lalayPasosoré bulan puasa di hiji lembur

nu jauh ka masjid, aya jalma ngajejen-tul bari neuteup langit daria pisan. Kubaturna ditanya: “Keur naon euy manianteng kitu?”. Walonna: “Ngadagoanbijil lalay euy, tandana geus manjingmagrib”. “Ari éta apan maké érloji?”ceuk baturna. “Nyaéta érloji téhpaméré lanceuk nu karék balik ti luarnegri, tapi angka-angkana kabéh ak-sara Koréa”.

Érloji RolexJalma sugih, tapi buta hurup ma -

néhna téh. Hiji poé meuli érloji Roléxnu hargana mahal pisan. Kacidareueusna boga érloji mahal téh, malahngahaja sering leumpang ngurilinganlembur bari maké kaméja pondok nepika érlojina atra katémbong ku saréréa.Hiji poé basa keur jalan-jalan ngurili -ngan lembur, aya nu nanya, “Punten,kang, jam sabaraha ayeuna?

” Nu ditanya neuteup érlojina radalila, terus tanggah ka langit pokna:“Geus asar ahir, Jang”.

Sagedé sireum Aya jamaah haji ti lembur sikluk tur

can ngalaman pisan tumpak kapaludara. Kacida atoheunana meunangkorsi meneran lebah jandéla. Basa ka-palna geus ngagerung disada, ma -néhna terus ngadunga lila pisan.Sanggeus réngsé ngadunga manéhnanénjo ka handap tina jandélana, terusnyarita ka panumpang gigireunana,“Subhanallah, horéng geus luhur pisanurang kapal urang téh ngapungna. Eu-leuh itu geura tingali jalma-jalmangabaris mani sagedé-gedé sireum”.Nu ajak nyarita milu nénjo tina jandélaka handap, pokna: “Éta mah sireumenyaan, mang. Kapalna gé teu acanngapung da”.

Istari moyaAya jamaah haji ti urang naroskeun

ka ketua rombongan naon ari basaarabna “meuli cai”. Ceuk ketua rom-bongan “istari moya”. Atuh terus baéka pasar rék meuli cai botolan inu-meun. Di toko nu husus ngajual caijeung kadaharan pok nyarita ka nungalaladénan: “Sayid, istari moya”pokna bari nunjuk kana botol cai.Walon nu ngaladénan “Kam?”, mak-sudna “sabaraha botol”. Jama’ah téhngahuleng sajongjonan lantaran tadipoho teu nanyakeun basa arabna duabotol. “Kam? Kam? Kam?” ceuk nungaladénan teu sabar. Ras manéhnainget kana solat subuh dua raka’at,terus ngajawab “Istari moya rak’a -taéni” pokna teu asa-asa. Nu ngaladé-nan imut ngamaphum terus nga songkeun cai dua botol.

Calon mantu ajenganAya jajaka kota boga bébéné putra

ajengan di lembur. Hiji waktu nyi mo-jang téh ngajak beubeureuhna ka lem-bur nepangan sepuhna. Dina beus nyimojang nyarita kieu, “Aa, abah téhjalmina tara seueur saur, nanging an-jeuna kacida resepeunana ka budakngora nu tetelepék soal agama. Jadiengké Aa kedah seueur tataros babagama ka abah”. “Siap, Néng” walonpmuda pédé pisan. Basa geus nepi kabumina, calon mantu téh ditampi kuibu rama mojang kalawan kabingahan.Malah terus diajak ku mama ajenganka ruang tamu bari disuguhan.Sanggeus duanana caralik, lain gun-treng, tapi…..kalah pahuleng-huleng,saurang gé taya nu nyarios. Si jajakangantos-ngantos ditaros, ari MamaAjengan teu naros-naros. Ma’lum apananjeunna téh carang takol. Sanggeusampir satengah jam ngabaretem, ras sijajaka téh kana papatah nyi mojangyén mama ajengan sok katajieun ku

budak ngora nu resep tataros soalagama. Atuh terus baé naros ka calonmertua, kieu pokna: “Punten, Abah,dupi di dieu jumaahan sok dintennaon?”.

Guru tara éléh ku muridMama Ajengan ngawurukan santri-

santrina, “Hé anaking, sing aringet,mun anta kahampangan kahadé ulahnyanghareup ka kiblat. Ngalanggaradab éta téh, sabab kalakuan kitu saruabaé jeung teu ngahormat Ka’bah”. Duapoé ti harita hiji santri niténan MamaAjengan kahampangan bari jeungmayun ka lebah kiblat. Atuh peutingnabasa keur ngabahas bab adab jeungsopan santun, santri téh unjukan:“Punten badé tumaros, pangersa. Ka-mari ieu pangersa nyaurkeun abdi sa-daya teu kénging kahampangan barimayun ka lebah kiblat, margi sami baésareng teu ngahormat Ka’bah.

Nanging tadi siang katingal pisan kuana ti pengker, pangersa nyalira ka-hampangan bari mayun ka lebah ki-blat. Sanés éta téh sami baé sarengkirang adab ka Ka’bah?” Waler MamaAjengan ayem: “Oh enya basa tadiisuk-isuk téa? Teu ngalanggar, Jang.Bener ari nyanghareup ka kiblat mah,tapi da harita ku Mama ditikelkeun kabeulah katuhu”.

Si Ujang & Si NyaiDi hiji lembur aya ketua ranting

partéy “Béntang” jeung ketua rantingpartéy “Bulan” nu imahna natanggatapi teu alakur. Mun nu saurangngusulkeun hiji perkara geus pastibakal ditolak sapagojodan ku nusaurang deui. Kitu deui sabalikna. Étatéh boh dina forum resmi atawa dinacampur gaul sapopoé. Salembur étamah geus arapaleun. Duanana kabe -neran sarua boga anak sapantarumurna méh sarua kita-kira lima taun.

NGADAGOAN BIJIL LALAYCarita-carita hampang tamba hanaang

Ku H.D. Bastaman

Page 20: Mangle 2434

Manglé 2434 19

Bédana téh ketua partéy “Béntang”mah anakna lalaki ngaranna “SiUjang”, ari anak ketua partéy “Bulan”mah ngaranna “Nyai”.

Béda ti bapa-bapana, Si Ujang jeungSi Nyai mah nyobat pisan tur seringulin babarengan. Hiji poé Si Ujangnyarita ka Si Nyai, pokna: “Nyai, urangameng yu ka walungan”. “Hayu. Tapiabi badé nyarios heula ka Umi” walonNyai. Sanggeus kaidinan terus baébarudak dua téh tingalabrét lalum -patan ka walungan nu teu pati jauh tiimahna. Barang geus nepi, ceukUjang; “Urang ngojay yu”. “Hayu”ceuk Nyai. Atuh terus duanana cucul-cucul….bulucun. Sanggeus kitu dua-nana lain buru-buru brus, tapi kalahsilih pelong kawas nu sarua héran.Meusmeus rét ka dirina terus rét deuika baturna. Sanggeus silih pelong radalila ceuk Si Nyai: “Oooh, kutan ieu bé-dana partéy “Béntang” jeung partéy“Bulan” téh, nya?”

Sihoréng….Aya jalma datang ka hiji lembur,

terus nanya ka urang dinya nu kabe -neran keur nangtung di pakarang -anana. “Punten badé tumaros, mang.Dupi ieu lembur téh namina nu Cipu-larang atanapi Cipuralang?”. “Cipu-lalang, Jang” walon nu ditanya. “Euh,kitu. Dupi emang didamel di mana?”pokna nanya deui. “Supil tleuk” walonsi emang.

Rieut jangarNéng Tinceu sareng Néng Oci uplek

ngobrol di kantin sabada balanja dimol. Saur Néng Tinceu: “Abi mah,Téh, meni tos tos aral ku panyawatrieut jangar. Upami tos karaos téhmeni jejeletotan. Ka dokter mah kadokter tapi mung sakedap damangnatéh, teu lami karaos deui. Dupi Tétéhkantos rieut jangar?”. “Atuh tangtos,malih rada sering. Mung Tétéh mahsok énggal damang dilandongan kuakangna” waler Néng Oci. “Tah, tah,tah kumaha éta téh?” saur NéngTinceu spontan. “Dipijetan ku anje-unna, Néng Tinceu” waler nu ditaros.“Dipijetan kumaha, Téh?” NéngTinceu naros deui panasaran. WalerNéng Oci: “Kieu, ngawitan akangnamencétan embun-embunan lalaunan,teras palipis nyambung kana peng -kereun cepil, teras kana punduk, tak-

tak, walikat kénca katuhu dugi kacangkéng. Saatos kitu taar dipijet,pameunteu diusapan lalaunan, malahlambey gé diusapan ku jempol panan-gan. Ti dinya kana tenggek, teras tak-tak bagian payun. Saatos kitu giliranhandapeun tenggek diusapan baridipencétan lalaunan. Searah jarumjam éta mah ngusapanana”. Jepjempé. “Teras…terasna kumaha, Téh?”saur Néng Tinceu beuki panasaran.“Tos..tos..kitu mah, Néng… Ah NéngTinceu gé tangtos uninga kumahaterasna” waler Néng Uci ngiceupanngajak surti. “Teras damang rieutnaéta téh, Téh Oci?” Néng Tinceu narosdeui daria. “Alhamdulillah, Néng, totalsaéna ogé” waler nu ditaros bari imut.Néng Tinceu ngahuleng sajongjonan,teras naros deui: “Punten, Téh, dupinomer hp Akang sabaraha?”.

Béo pinterPoé Minggu di lapang Gasibu aya nu

ngajual manuk béo. Ceuk nu ngajual:“Bapa-bapa, ibu-ibu, taringali ieu béo.Tos capétang da tos dilatih. Upamisukuna nu kénca dibetot ka handap,béo bakal nyarios ‘wilujeng énjing’.Upami sukuna nu katuhu dibetot, étamah ‘wilujeng siang’. Mangga saha numinat?” pokna promosi. Aya maha-siswa nu kabeneran milu lalajo,ma’lum mahasiswa nanyana kritis:“Kumaha mun suku kénca jeung nukatuhu duanana sakaligus ditarik kahandap?”. “Aingna atuh nu tijongklok,boloho!” ceuk béo nyentak.

BédanaAya jalma ngadunga bari tumaros ka

Gustina: “Nun Gusti, naha sami kituukuran waktos di alam dunya sarengdi alam ditu?”. Waler Mantenna: “Teusarua. Samenit di alam ditu saruajeung saabad di dunya”. “Dupi artossarupia di ditu?” manéhna naros deui.Waler Mantenna: “Sarupia di ditusarua jeung samilyar rupia di dunya”.Nguping kasauran Gustina kitu, jalmatéh terus nunuhun deui kieu pokna:Nun Gusti Nu Maha Sugih. Cing atuhabdi dipaparin sarupiaaaa bé”. WalerMantenna: “Heug, dagoan samenitdeui, nya”.

Pelukis abstrakKang Ijan kagungan sobat jene -

nganana Kang Udi, pelukis abstrak nu

kamashur di Bandung. PasosontenKang Ijan natamu ka bumi Kang Udi.Kasampak sobatna téh nuju jongjonngalukis di studiona. “Dagoan heulasakeudeung, Jan, sayah keur ka -kagokna” saur pribumi. “Teu nanaon,sok teruskeun. Keun sayah mah rékningalian lukisan” waler Kang Ijan.Teu lami Kang Ijan sasauran: “Di, ieutéh lukisan énté nu anyar” saurnanaros. Kang Udi ngarérét sakedapteras ngawaler: “Lain, éta mah eun -teung”.

Lalaki sajatiCaritana aya mojang nu hayang

nguji naha beubeureuhna téh kaasuplalaki sajati atawa henteu. Mimiti kunyi mojang diajak ka tempat ramé nuloba kénéh délman. Teu lila kadéngéjelema pating gorowok, malah aya soraistri jejeritan. Sihoréng panumpangdélman, kudana ngamuk teu bisadieureunkeun. Malah kadalina ogélésot. Atuh kusirna ogé milu tulung-tu-lungan. Nu araya buriak nyarisi sieunkadupak délman nu pungkal- péngkolka kénca ka katuhu dibawa kaburkuda. Ningal kitu si jajaka téa teu lobacarita terus lumpat ngaberik délman…jleng luncat kana tonggong kuda,kadalina nu lésot gancang ditarik sa-takerna nepi ka kudana eureun. Kusirjeung panumpang mani dodongkoannganuhunkeunana. Nu araya kabéhkaleprok kataji ku teuneungna si ja-jaka. Atuh nyi mojang katingal raraynamarahmay.

Ari ujian nu kadua mah kieu. Si ja-jaka ku nyi mojang diajak meuting dihotél, sakamer satempat tidur ukur di-halangan ku guguling. Sapeupeuting sijajaka bari nyangigirkeun nu ngabe -bengkang tibra, guling-gasahan teubisa saré sakerejep-sakerejep acan.Tapi alhamdulillah nepi ka isuk-isuksalamet taya kajadian nanaon. Basakeur sasarap si jajaka nyarita barireueus: “Bener ‘kan Aa mah lalaki sa-jati?”. Nyi mojang ngajawab bari ku-raweud: “Lalaki sajati nanahaon,ngaluncatan kuda ngamuk bisa,ngaluncatan guguling teu becus!”

(Diropéa jeung pasieup tinarupa-rupa sumber)

Ciputat, mapag Puasa 2013.

Page 21: Mangle 2434

20 Manglé 2434

GEUS ti béh dituhayang nyaritaka Emah, nahahenteu capéngasuh Si Jalu

anak kuring? Mangkaningbari ngantunkeun Apa dilembur, ampleng-ampleng -an. Hayang sapok-pokeunnyarita, keun baé da ayeunamah Si Jalu geus sakola, bisaditinggalkeun jeung panga-suh. Tapi létah téh asa beu-rat waé unggal rék nyarita.Sakitu deudeuhna Emah kaanak kuring. Kacipta lamunkudu dipegatkeun téh.

Kuring ngarasa dosangandelkeun Emah terus-terusan nungguan budak,sabot kuring jeung salaki di-garawé. Tapi leuheung basalamun ku anjeunna katampiperasaan asa dosa kuringtéh. Kumaha lamun kalahngaraos diusir? Naha henteuleuwih dosa ngajaheutanmanah anjeunna? Tung-tungna ukur rumandeg waé.

“Iraha budak téh peréna?”saur Emah bari ngarérét kaSi Jalu, nénéhna anak kur-ing, nu keur anteng ulin diri-ung ku cocooanana.

“Ngadéngé budak tatanggacenah mimiti peré tanggalopat welas nincak poé Saptu,biasana ari peré naék kelasmah sok akur ti mimitisakola TK nepi ka SMA,lamun sarua tanggal opatwelas si Jalu ku Emah rékdiajak ka lembur sakalianngalongok Abahna,” saurEma deui. Ema nga-Abah -keun Apa ka anak kuring.

“Karunya geus tilu bulanteu dilongok. Ari ukur dikiri-man artos bekelna wungkulmah bisi boga rasa ditam-bélarkeun. Sanajan henteu

ari pok kitu mah nganurangna wé meureun nukudu hideng.”

Meg kana dada asa aya nunonjok. Ras ka Apa, beukinambahan lamun inget kalebah dinya. Emah jeungApa patebih nyasat lantaranmelaan kuring. Emah diBandung sabumi maturankuring. Ari Apa di lemburnyalikan bumi nyalira, di-talingakeun ku lanceuk nucikal, bari sarua boga budakleutik anu masih kénéhsakola SD satilu-tilu. Bohtuang, boh kaséhatanana,maklum tos sepuh tiktik-brek, gohgoy téa kalingsirtéa. Tacan panyakit liannanu sok biasa karaos.

Sanajan lain kahayangkuring tapi asa dosa kacidaku kaayaan Emah sarengApa ayeuna. Kuring salakuanak ukur sarwa salah kitukumaha kieu kumaha nutungtungna ukur bisa nga-muhun-keun kana cariosanEmah sareng Apa, sok sajanjadi beungbeurat haté.Sanajan diomongkeun kubatur, ku dulur, kuringnongtorékkeun manéh waé.Da aya benerna atuhomong an batur téh. Tapikuring teu bisa baha atawateu sanggup kudu ngara-heutan manah indung jeungbapa mah. Apan sok loba nunyebuteun yén lamun nujadi anak ngahésékeunatawa ngagawékeun kolot,sanajan kolotna rido tetepbakal jadi dosa. Walla -hualam, tapi rumasa kuringgé ngarasa dosa. Sanajankuring teu rumasa miwa -rang Emah. Anjeunna ling-gih di Bandung, éstu kapa layna ku anjeun. Maenya kukuring kudu ditolak.

Si Jalu nu ayeuna geusumur tujuh taun dirorok, di-asuh nyasat digedékeun kuEmah. Kuring digawé, jaditeu bisa nalingakeunsapopoé. Boh mandina, bohdahareunana, kitu deui pa-pakéanana, nyusuna nyasatkabutuhan sapopoé pikeun

Carpon Tuti

Warisan

nu Moal Cocéng

Page 22: Mangle 2434

Manglé 2434 21

si Jalu. Harita gé geuskapikir, kuring kudu bogapangasuh. Bari nungguancuti sabulan deui ka béakpanceg ka tilu bulan, Emahkaburu sumping ka Ban-dung ka imah kuringangkaribung sagala dican-dak. Sampeu, kasreng,rangginang, wajit, opak, caujeung nu lianna sabangsan-ing kadaharan séjén oléh-oléh ti lembur hasil tatanén.Saurna sono ka si Jalu.

“Nyai cenah dek nyiarpangasuh? “ saur Emah baringeyong-ngeyong orok. Ku -ring ukur ngaenyakeun kuunggeuk.

“Keun baé teu kudu hésé-hésé nyiar pangasuh, kuEmah wé. Asa teu mikeunlamun budak diasuh kubatur, teu percaya Emahmah. Geuning réa contona,ceuk béja tina tipi ogé lobapangasuh nu teu balener,teu kabéh éta ogé. TapiEmah mah tetep cangcaya,komo Nyai gawé ari budakditinggalkeun jeung batur,keun tong jadi pikiran. Keunbaé Emah nu pindah kaBandung saheulaanan nepika Si Jalu sakola, Ké lamungeus sakola kakara ku Emahrék dileupaskeun jeungbatur. Meureun Emah ogérék balik ka lembur. ApaNyai nu ngeukeuhan Emahindit ka dieu téh. Saur Apa,piraku teuing asa teu téga arininina genah-genah moyan,incuna diasuh batur. Jungka ituh bisi kapiheulaan kubatur geura indit ka Ban-dung. Keun baé Apa mah dabisa ngurus sorangan pi-lakadar dahar sapiringmenta wé ka si Teteh,” saurEmah. Teteh téh lanceukkuring nu cikal.

“Saur Apa téh, Nyai,nyeusuh baju sasetél mahbisa ku sorangan. Atuhlamun purun Apa nu nu-turkeun ka Bandungsakapeung-kapeungeun, dalain teu hayang cicing diBandung téh. Éta teu betahasa teu pararuguh, ukurdahar, ulin, ka masigit, lalajo

tivi, kaluman,” saur Emahngadugikeun cariosan Apa.

Kabiasaan Apa di lembursagala dicepeng, ka kebon,ka ditu ka dieu ngabang-brangkeun rasa kaluman.Saur Emah, Apa ridoeun di -tinggalkeun, Emah ridokacida, lamun diijinan nga-suh anak Nyai Si Jalu. Keuntong jadi pikiran, Nyai jeungsalaki mah sing soson-sosondigarawé nyiar pibekeleunhirup. Atuh Nyai ogé singrido ngurus beaya hirupEmah jeung Apa.”

Enyaan haté téh ngarasareugreug, Si Jalu aya nunalingakeun sagala rupana.Malah jadi leuwih apetkénéh ka ninina batan kakuring. Teu kitu kumaha dasapopoéna loba jeung ninibatan jeung indung bapa, dapuguh ditinggalkeun gawé.Tepi ka ayeuna Si Jalu geussakola, Emah angger calik diBandung. Sakalieun ka lem-bur nyalira, tara lami ukursaminggu.

“Gandeng! Ceuli asa ra -wing, dijurung-jurung waeku Abahna. Karunya ka SiJalu cenah jeung saha ulinnapan ditinggalkeun gawé pi-raku dék dibabawa ka pa-gawéan onamanan teu pu guh atuh gawé bari ngasuh.Saleuheung mun ping-pinanana ngamalum.Karunya Si Nyai ke bisibolos gawéna,” saur Emah.

Taun tukang usum perésakola Emah ngeukeuhanbadé ka lembur tapi hayangjeung Si Jalu, ambeh lila dilemburna, meungpeungperé sakola. Inget kénéh,beres netepan subuh Emahngahudangkeun Si Jalu numasih ngageubra. Geus hu-dang terus ditamasandidang danan, bekel da-hareun jeung bekel bajusalin tos ditembrak-tem-brakeun dina lawang panto,ngarah teu tinggaleun. Nga-haja indit nyubuh, ambehelfna kosong kénéh, bisamilihan tempat diukna dihareup. Ongkoh di jalan tiiskénéh jeung teu macét. Di

lemburna rék dua minggu.Ambéh Si Jalu bisa istirahatdi Bandung saméméh asupsakola. Lamun sabulan dilembur bisi capéeun teuingda loba ulin. Ma’lum ari geusdi lembur téh Si Jalu mahsiga kuda leupas ti gedogan,ka balong, ka susukan, miluka kebon, milu ancrub kasawah, ber kaditu ber kadieumatak capé nu mapay-mapay. Tapi teu hariwangulin jauh ogé di lembur mah.Sanajan Si Jalu ngariweuh -keun, nyapékeun tapi Emahhoyong waé nyanyandak.Kitu deui Si Jalu teu kaopEmah angkat sok ngingintilwaé. Kanyaah Emah, kabélaEmah ka kuring, ka anakkuring, ka kulawarga kuring,moal kabayar. Pikeun ku -ring, kanyaah Emah jeungApa téh lir warisan nu moalcocéng saumur hirup.

Dua minggu di lemburawak Si Jalu mani lintuh.Pipi camihmil, leungeuntareuas siga sampeu, nganpakulitanana rada hurik.Pédah mandina ku cai nungocor langsung ti gunungmeueunan. Teu kawas diBandung make cai hasil ngo-lah. Ku lantaran diwowoy,sagala digugu, ulinsakarepna, dahar rewog,saré tibra, ti sareupna ma-grib, dug sek. Hudang- hu-dang geus beurang.Pantesna urang lembur mahgeus meunang hanca nga -rambet sakotakan sawah.Hudang saré Si Jalu geusdisampakeun sarapan ba-cang jeung bala-bala meu-nang mesen ti tukang sayurnu unggal isuk sok ngaliwatka hareupeun imah. Beressasarap terus dimandian di-tampian, mani ngoyokmandi ku cai nyurug. Geusmandi Si Jalu moyan digolodog imah bari dibuntelanduk ngahodhod tapi ka -tinggalina seger.

Ras inget kalebah dinyakuring teu bisa nahancipanon. Rasa syukur kaPangeran tan wates wangen,boga kolot nu sakitu jembar

manahna melaan anak incu,namplokkeun kanyaah kakulawarga sanajan dio -mong an dipoksangan kudulur ku batur tapi Emahpanceg.

“Emah rumasa teu bisaméré harta, dina mikanyaahNyai. Keun baé batur mahda batur ngaranana ogé.Saha nu wawanianan nye-butkeun dosa da nu meun-teun dosa henteuna mah,anging Gusti Alloh lamunméngpar tina ajaranana,kakara dosa.” Saurna.

Tapi kuring tetep asa dosaka kolot, lamun Emah terusngurus Si Jalu. Tapi lamunngawagel Emah ngasuh SiJalu, sieun dipajarkeun em-bung kacicingan. Kapan jadingaraheutan manahna.Meureun ayeuna waktunakuring males kanyaahEmah. Keun bae diomong -keun batur pajar ngaga -wekeun kolot, batan kuringngaraheutan manah Emah.

“Lila kénéh peréna budaktéh. Apa geus nanyakeunwaé, sonoeun meureunan,”soanten Ema ngahudan-gkeun lamunan kuring.Kumaha atuh nyaritakeunieu perasaan dosa téh.

“Ngawitan énjing, Mah, “témbal kuring.

“Pageto we atuh Emah kalembur jeung Si jalu, nya,”saurna. Kuring unggeuk.Haté ngarakacak. Lalanya-han waé kitu, nanyakeunnaha Ema teu capé ngurusSi Jalu. Naha Ema teu capéuah- uih ka lembur. Kakaramiwarang lirén maturankuring. Tapi biwir téh teukelu cacarita.

“Geus meujeuhna adian,budak teh Nyai. Ulah hijiteuing, karunya.

Meung peung Ema jagjagkeneh, “ saur Emah.Piceurikeun nyelek kanatikoro. Rasa kagagasséséléké sumeleket kanadada, jero pisan. Duh in-dung.***

Panglawungan 13,Juni katompérnakeun.

Page 23: Mangle 2434

22 Manglé 2434

Angkrék bulanmarakbakbodas mapaésrohangan te -ngah. Unggal

poé ditatap diusap jadibatur ngobrol, tempat mi-radu mun haté keur sume-deng ringrang. Sok rajeun

nyoréang ka tukang,mangsa hirup paduduan,genep taun kaliwat. Nyi-mas Siti Munigar, anaknunggal Mama Mar-tadikusumah jeung AmbuRohani, kembang désaCidalingding, camperenik.

Sinjang sidamukti dilam-

ban, nyanding kana baru -kat pulas langit mungkuswaruga lémpéréng konéng,raray marahmay, sang-gulna kabungkus karém-bong bodas. Payus meu nang sebutan ratu tikahyangan; matak geugeutnu deukeut, matak sono nu

nempo. Teu saeutik jajakati sawatara lembur ngahajangalanglang hayang nga-bandang. Ti mimiti man-dor adeg, mantri pasar,juragan kawung, kaasupbarudak nu kakara mang -kat begér nepi ka KawasaKebon boga tarékah

Carpon Moddi Madiana

Kanikir Dipipir Pasir

Page 24: Mangle 2434

Manglé 2434 23

séwang-séwangan pikeunngadeukeutan Nyimas SitiMunigar. Ari sikep MamaMartadikusumah, éstuningbijaksana naker. Tara pipi -lih piminantueun, istuningmasrahkeun ka nu jadianakna baé. Nya ku sikepéta pisan nu ngajadikeunurang lembur Cidalingdingngarasa ajrih. Antukna tayanu wanieun ngaheureuyanNyimas Siti Munigar.

Kabeneran nu manggihjodo jadi salaki Nyimas SitiMunigar téh Kang Rahmat,bandar kawung, anak kuwuCijeré. Ti saprak rumahtangga, Nyimas misah imahti indung bapa, nyi cinganimah di lamping Cidal-ingding belah kalér. Limataun nyorang lakirabi cankawaris anak. Pacogrégandina rumah tangga beukinémbongan anu jadi mar-galantaran Rahmat hayangboga turunan. Layung taranémbongan, angin ti lam -ping jarang liwat hareup -eun, ukur séahna ngajauh an nyusur gunung, nyisirpasir awor jeung guligahnaombak di basisir. Teu waninyarék sumawonna ngahu-lag kana talajakna. Lain teuhayang megatan tapi teusanggup kudu cékcok komopabéntar paham munkapareng an aya di imah.Rahmat jadi jarang balik.Di sagigireun ngiangkeungula kawung ka dayeuh, di-tambahan ku geus ngarasateu betah di imah. Nyi MasSiti Munigar ukur bisa ngu-pahan manéh, nilaman ma -néh ku rasa sabar.

Wanci moyan hordéngjandéla katebak angin.Angkrék bulan katojo pa -nonpoé nyacas nyaanganrohangan. Bari nilepansamping corak tarungtumNyimas nyawang sémah nunyampeurkeun. Beuki deu -keut beuki sidik yén nudatang téh Marni, pamaji -kan nu ngora ti Rahmat;ngais budak umur sataunhanjat ka tepas imah.

Sémah dihiap sina asupbari pok, “Euleuh geuningmani tangginas wayah kieugeus nepi ka dieu. Jamsabaraha ti ditu?”

Nu ditanya gancang nga-jawab, “Bada subuh!”

Teugeug. Teuing pédahcapé kénéh. Dirérét budakdina aisan, nyeplés be-ungeut Rahmat.

“Sok écagkeun heula bu-dakna. Ké rinéh wé. Urangnyokot heula cai, lumayankeur nuuskeun capé, bisihanaang,” cék Nyimas SitiMunigar bari ngoloyong katukang. Marni teu lobacarita, ukur rurat-rérét -kawas aya nu ditéangan.Basa mencrong poto salak-ina nu ngagantung dinatémbok, kapegat ku pa -nanya Nyimas Siti Muni-gar, “Tas ti mana Nyai téh,atawa ngahaja ka dieu?Naha bet sosorangananmangkaning lain lalakondeukeut-deukeut.”

“Puguh ngahaja abdinepangan Ceuceu di dieu,maksad mah...” teu paratomongan Marni.

“Baruk, aya pamaksudannaon, asa rareuwas teu-ing?” Nyimas Siti Munigargeus ngarasa curiga yén ka-datangan Marni lain sa-datang-datangna.

“Numawi tos opat sasihbapana barudak teu ayawangsul ka lembur. Na-mung punten manawi...”Marni kalah ngaheruk. Nyi -mas Siti Munigar istigfardina hatena ngarasakarunya kana nasib Marniditinggalkeun ku Rahmatbari taya béja carita jeungkudu ngurus budak satilu-tilu.

“Euceu ngarti jeung miluprihatin kana nasib Nyaijeung barudak. Nyai ulahngarasa curiga ka Euceu,salaki Nyai ti saprak mi-hukum Nyai geus tara ngu-lampreng ka dieu. Da geusteu katalian ku kawajibandeui jeung Euceu mah.”

“Kedah kumaha atuh

abdi ayeuna, sareng kedahka mana milarianana?”Marni keukeuh can percayakana jawaban Nyimas SitiMunigar.

“Haaarrr... nya kudukumaha atuh? Apan ba-heula ogé basa Nyai nga-jorag ka dieu méntatang gung jawab Rahmat kuEuceu dijurungkeun sinangawin Nyai. Naha Euceukungsi ngajirag ka Nyaisalila salaki salingkuh kaNyai?”

“Bilih Kang Rahmat ba-balik pikir, badé saha nungalereskeun barudak kapayunna?”

“Astagfirullah...” Nyimaskareureuwasan.

Da puguh teu bogaeunniat rék ngabaruntakeunrumah tangga batur, sana-jan Rahmat téh kungsi jadisalakina. Asa teu katari-makeun kanyaah dirina,lain teu nyeri haté basakudu ngijinan salakinakawin deui lamun alesan -ana lain hayang boga tu-runan. Rék kumaha deuiatuh? Sanajan peurih kanaati, rido pepegatan sangkanmanéhna jongjon rumah-tangga jeung nu anyar,sangkan tumaninah ngurusturunan. Tapi kunaon atuhsakitu geus boga turunanmaké kudu cul-culan kaanak pamajikan?

Marni neuteup budaknadina aisan. Nu diteuteupmales melong, teu ngar-tieun naon anu keur karan-dapan ku indungna.Beungeut pias kiceupcarang. Haté Marni ngajeritngubek langit, kanyenyer-ian ditinggalkeun salaki.Teuing di mana, teuingkeur naon. Teu rido salaputhulu kudu diduakeun.

Nginum asa nguyup tuakbari, maksakeun barangda-har teu mirasa.Cimata rajolpatutur-tutur, dipaksadipegatan keukeuh bedahteu katahan. Kudu ka mananyusulna, naha aya di wa -rung nu baheula mimiti

amprok atawa di Hotel anubiasa lamun jangji rékpatepung? Jauh tina pa-nyagka, hanas keur gawé dipabrik ogé ménta eureunda tadina hayang ngawulaka salaki. Atuh lalaki anuharita geus paheut rékmikahéman ogé dibolay -keun. Dina emprona geusjadi salaki geuning kieubuktina.

Poé geus nyérélékmayung ngulon. Sora tu-raés beuki tarik semu anumilu ngajerit maturan duahaté awéwé nu keur saruarajét. Dicarék mulang, tapiMarni keukeuh mangkat.Marni geus teu katémbong,kabulen pepedut nu ngagu-lung nuruban lembur.Kanikir nu kungsi dipelakdina pipir pasir lemburCidalingding salapan taunkatukang teu katémbongasrina, semplak leungiteunkomara. Ngarangranganilang dangiang. Geringnangtung ngalanglayung.

Jandéla nu biasa dipakémoyan ku Nyimas Siti Mu-nigar geus nutup. Lampugantung di tepas imahtinggurilap. Kelir lampunapancawarna. Kembangangkrék bulan ngahajadipindahkeun ka kamarpikeun maturan NyimasSiti Munigar mupu peuting,sakalian ngawawaas éndah -na peuting nu pinuh kaasih.Peuting munggaran nyo -rang hirup laki-rabi, pasrahdiri lahir batin meungkeutkageugeut meuseuhkadeudeuh tina haté kahaté, jadi beungkeutan ragajeung rasa.

Angkrék bulan kelirbodas mairan koréjatnarasa. Jajap Nyimas Siti Mu-nigar nyorang alam impian.Raray marahmay, geulis lirputri kahyangan. Rinéhsimpé, gurat kamelangilang ngajirim jadi imut nugeulis nyambung nyimbu-tan peuting nu jempling.***

Subang, 100710

Page 25: Mangle 2434

24 Manglé 2434

Gasik leungeunngacung maniasal luhur, hihangger wé mobiltéh ngadius.

Enya, teuing élef teuingnaon da teu pati sidikpuguh poék. Mundur deuika sisi bisi katabrak. Teukungsi lila, sebrot deui ca-haya lampu mobil ném-bongan mani hurung. Naatuh teu kungsi memenitanpes pareum. Boro geustatan-tatan rék ngacungdeui. Rék nyaba kuring téhka Sumedang itung-itungpelesiran. Sorangan baébari léngoh deuih da teupuguh jugjugeun rék kasaha-sahana. Orokayangadagoan mobil nu rék kaKota Tahu téh mani lilanaker. Ti tas magrib rara -saan téh kuring ngajengjendi Bunderan Cibiru, aye-una geus tabuh salapan.Ngajejentul sisi jalan, so-rangan.

"Piraku wayah kieu geuseuweuh mobil mah,"geren cem haté. Gék diukdina pager témbok.Sakedapan ngarérét ka jeroimah nu pagerna didiukan.Jempling. Nu baroga imahgeus talibra taksiran.

"Kumaha atuh?" jeroeundada padungdengan deui.Teuing naon nu kudu dipil-ampah. Bati bingung.Kalah kelekep heuay, tun-duh. Sabisa-bisa sakadangtunduh téh ditundung.

Kongkolak panon dikucek-kucek sangkan cenghardeui. Geus kagok indit tiimah tuda. Piraku kudubolay onaman.

Teu kungsi lila di hare-upeun geus ngabagugmobil. Badag, beus. Teukanyahoan datangna, teugurang-gerung sora mesinmobil da. Eureunna téhmani pas hareupeun ku -ring, lebah panto hareupnu geus muka.

"Tid, tid, tidiiiid...!" Sorakelakson mani harus.

"Hayu Pa, badé nyaba?"tanya supir. Rét dirérét,horéng awéwé.

"Ka Sumedang?" tanyatéh bari nguniang.

"Muhun, hayu!" gelenyuimut. Teu ngengkékeundeui, kalacat baé kuringnaék. Na atuh, karék gésuku duanana asup, pantobeus nutup sada ngajeblug,ngonci rapet. Lampu-lampu jero beus ukurreyem-reyem. Ari suganjero beus téh loba panum -pang, horéng kosong mo-longpong, ukur kuringsorangan nu tumpak téh.Kurig muru jok tengah,bari teu wudu jantungmimiti ratug.

Dius beus mangprungdigas satakerna, mani asangapung. Leungeuntipepereket nyekelan jokhareupeun. Rét ka hareupmalédogkeun teuteup kasupir tina kaca sepion, atra

pisan. Séréngéh seuri, lainukur imut. Teer...bulu pun-duk carengkat, kuku-rayeun.

Halis kuring kerung,nginget-nginget si geulissupir. Asa apal kana be-ungeut éta téh ngan teuingsaha jeung di mana. Enyaapal, ngan teuing saha nya?Hantem baé mikiran sigeulis. Jalan Bandung -Sume dang téh da sidik di-aspal, leucir hotmik malah.Tapi naha beus nu di-tumpakan téh abrug-abru-gan siga ngagéléng jalanruksak. Pikasebeleunanatéh si geulis supir beusngajalankeun mobilnamani apung-apungan.Késang badag késang lem-but mi miti maseuhanawak. Rét ka luar, poékngageblég, teuing lebahmana, teu apal. Rét deui kasi geulis, angger nyéréngéh,malah antukna mah nga-gakgak. Puguh wé beukimuriding.

"Hahaha...tenang Pa ten-ang, moal nanaon," cenah.

Kuring hayang nyanga -ngang némbalan, réknyarékan laklak dasar dapuguh manéhna nga-jalankeun mobil teu jeungadeuh, kumaha muncilaka. Orokaya biwir asadikonci, rapet teu bisaengab-engab acan, malahteu pupuguh asa eungap.

Katénjo ti hareup ayalampu mobil séjén, papa-

hareup. Gejul, si geuliskalah ngagas beus, dilelem-peng...kana lampu mobil dihareup siga ngahaja sinadiadu. Da jeung saenyana,teu kungsi lila...jebrod duamobil siliteunggar badisdomba adu. Sorana maningajelegur.

"Hahaha....karasa?!"ceuk si geulis bangun atohbin sugema. Kuring ona-man ngaranjug lainmeumeueusan, reuwaskareureuhnakeun. Gasikcapa-cipi kana awak, al-hamdulillah beleger kénéh.

Dius beus mangprungdeui. Teuing kumaha nasibmobil nu cikénéh ditabraksi geulis téh. Kituna téhmanéhna kalah aluman-al-imen, jung nangtung.Enya, nyupiran mobil barinangtung, teu uyahan.

"Nanaonan éta?" Kuringngagorowok, tapi taya sora.Si geulis kalah kalacatnaék, gék andegléng dinajok panyarandéan. Teucageurna téh nyupiran kucokor geura. Puguh wékuring ngembang kadu.Geus kitu, jen nangtung,nyanghareupan kuring.

"Tenang Pa, tenang, tongsieun hihihi...," poknamani hayang malédog da.Orokaya teu bisa meta.

Hadéna si geulis élingdeui. Manéhna nyupiranbeus siga sasari. Keur kitu,cekiiit...sada rém. Blakpanto beus muka, ana rob

Si Geulis nu Nyupiran BeusKu Féndy Sy. Citrawarga

Page 26: Mangle 2434

Manglé 2434 25

téh panumpang arasup.Sakedapan kuring malé-dogkeun panon ka luar,reyem-reyem kabacatulisan Terminal Cileunyi.

Ti dinya mahpanumpang beus téh pinuhwé. Ngan kuring mah diuksorangan sajok téh. Barangdisidik-sidik...alah ieung,tadi-tadi barang naraékkatara dicarindung bodasjeung dikaropéah haji, nageuning ayeuna diparocongkabéh.Dius beus mang-prung deui bareng jeungmangprungna lelembutankuring mawa pananya, dimana ieu saenyana? Nahapanumpang beus diparo-cong? Basa maling-malingrérét, katara tingséréngéh,laju ngabarigeu, téu narolihka sisi ka gigir. Kaayaankarasa beuki combrék,angot basa selengseg ayabau menyan mani meledug.Kuring hayang saajleng-an-jlengeun kaluar tina beus,tapi ukur kahayang da

puguh suku asa dipaku.Beus karasa ngabelesat,

boa-boa ngapung. Gajrug-gajrug napak deui. Awakkarasa nyareri balastibabaranting. Sakapeungsirah notog hateup beus.Bedus téh, kalah tingcikikikdibawa tumpak beus édan-édanan téh. Puguh soran-gan mah soak.Abong-abong diparocong.Angot si geulis supir mahsugema wé batur soak téh.

"Kebut Nyi, ngarah téréhtepi!" Gélo, aya nu nyundu-tan si geulis.

"Oké Bos!" témbal sigeulis, bari jung nangtungnyanghareupanpanumpang. Setir mobilmah tiba digéol-géol ku bu-jurna. Barang disidik-sidik...iyyy...si geulis gé jadipocong!

Teu sadar kuringngagorowok, "Jur, jur, jur-riig...!"

"Hahaha...baru tahu niyé?!" Réang sabeus bari

malencrong ka kuring.Mata-matana bangun haru-rung. Puguh wé kuringbeuki ngompod.

"Énggalkeun Nyi, kaburubeurang!" Aya deui nungagorowok. Si nyai nurobah deui jadi wujud nugeulis nu kuring apal nganteuing saha téh rikat nyupi-ran beus siga sasari.

"Bérés Bos, sakeudeungdeui Cadaspangéran!" tém-bal si geulis bari ditungtun-gan ku ngahihi.

Ngadéngé Cadas-pangéran, jalan juranglungkawing, kuring enyaanbaluas, soak, geum peur laineumeueu san. Beus karasaluak-léok, sakapeungnyangéyéng siga ukurnapak dua ban gigir kénca,geus kitu gulitiknyangéyéng ka katuhu.Pareng di nu datar nyem-prung sari-sari ngapungnepi ka karasa nabrak nuteuas, terus ngapung,koléaaaang......gubrag!

"Tuluuung...!" Kuringngocéak.

"Pa, Pa, ku naon?Ngimpi? Tos tabuh opat rékka pasar lin?"

Gurinjal hudang. Di hare-upeun pamajikan. Gigisik.Gustiii...na ngimpi téhkabina-bina teuing.

"Iyyy...!" Kuring ngabi-rigidig.

"Ngimpi naon atuh?Mani tulung-tulungan?Matak gé ari rék saré téhbabacaan heula, lain ngomépésbuk," ceuk pamajikanmapatahan. Moal di-dongéngkeun lalakonimpian nu matak muridingmuringkak mah ah, moalkuateun ngabandun-ganana. Anggur mah rékdikirimkeun ka Manglé,sugan wé dimuat.

Rérés solat subuh kuringka pasar, cara sasari. Pipiki-ran mah angger na impian,nginget-nginget si geulissupir beus téa. Asa apal,ngan teuing saha.Oh...enya, kakara inget. Sigeulis téh nu sok ngalada -ngan di kios pasar gigireunkios Mang Jana, paragikuring balanja. Tah lamunkuring keur balanja,ngadagoan diladangan, sokanteng maling-malingngarérét ka si geulis. Dasarpanon lalaki atuh.

Anjog ka pasar, langsungwé kuring malédogkeunpanon ka kios paragi sigeulis.

Ngan geuningan kiosnatéh tutup. Basa kuring tu-manya ka Mang Jana nahakios nu sok ngajualan kuéhtéh tutup, teu wudu nga-jenghok.

"Si Enéngna maot,kacilakaan mobil," témbalMang Jana.

"Di mana?""Di Cadaspangéran, peu -

ting tadi." "Innalillaahi wainna ilaihi

rooji'un...." cékéng bari teuwudu punduk mah muring -kak deui. ***

Page 27: Mangle 2434

26 Manglé 2434

Geus lila kuringhayang pisan alatkasenian tradisionalnu ngaranna tara -wangsa. Tarawangsa

téh nyaéta alat musik tradisionalanu asalna ti kacamatan Rancaka-long Sumedang anu dijieun tinakai jeung sok maké senar urutkawat rém motor. Ngamaénkeuntarawangsa biasana sok dipirigmaké jentréng. Naon atuh ari jen-tréng téh? Jentréng nyaéta alatmusik tradisional nu sarua ti Ran-cakalong Sumedang nu dijieuntina kai. Wangunan jentréng mahngaharib-harib kacapi, tapi ieumah leuwih leutik jeung kawatnangan dalapan. Éta tarawangsa téh

ari katingalna mah siga alat musikRebab. Da senarna téh sami ayadua kawas rebab, ogé tina nga-maénkeunna gé carana téh saminyaéta dikését, tapi anu ngabé-dakeun antara rarawangsa sarengrebab mah dina bentuk eujeungsorana. Anu bisa kanu Tarawang -sa téh langka, katambah éta ka -senian tarawangsa mah lokal didaérah Rancakalong.

Sok sanajan lembur kuring radaanggang ti Rancakalong, tapi kur-ing rada kataji hoyong pisan bisakana tarawangsa, mung nya kitutéa da geuning kuring téh teu ga -duh alatna, janten badé latihananagé sesah, da ari latihan téh kedahaya media nu ngadukungna nyaé -

ta alat tarawangsa.Kuring wawartos ka

pun bapa, yén kuring téhhoyong alat musik tara -wangsa. Tapi da punbapa gé teu acan terang -eun dimana anu sok ngi-calan éta tarawangsa téh.Mémang enya tara wang -sa téh alat kasenian tradi-sional tapi pangaos radalumayan awis. Tapi ku -ring teu acan éléh akal,kaleresan pun lanceukgaduh kawawuhan urangRancakalong anu sokngadamelan tarawangsa.

Hiji waktu pun lan -ceuk mulih, da kaleresanlibur. Atuh kasempetankanggo kuring mah ho -yong dipangmesenkeuntarawangsa.

“A, manawi uninga,dupi nu sok ngicalantarawangsa dimananya?” ceuk kuring.

“Aya réréncangan Aaanu sok ngadamelantarawangsa téh. Ganjarbadé mesen? Ké ku Aadipangmesenkeun.”Témbal lanceuk kuring.

“Kinten-kinten saba -raha tah, A pangaostarawangsa téh?” ceukkuring deui.

“Ari tarawangsanahungkul mah tilu ratusrébu, lamun sareng jen-tréng janten tujuh ratus

rébu,” témbal lanceuk kuring.“Ah, Ganjar mah badé mesen

tarawangsa wé heula da mungaya kanggé satarawangsaeun ar-tosna gé.” Témbal kuring.

“Nya ke ari ka Bandung can-dak artosna. Ayeuna mah ku Aadipangmesenkeun heula, ma-yarna mah langsung wé ku Gan-jar.” Témbal lanceuk kuring.

“Nya atuh A, hatur nuhun.”Témbal kuring. Haté kuringbungah kacida, sabab geusmanggih jalan pikeun mibandanu dipikahayang. Harganamurah deui! Bubuhan pesenna tisobat pun lanceuk. Dua poé tiharita pun lanceuk ngawartosanyén tarawangsa téh tos

dipesenkeun, tapi kuring kedahnganteurkeun heula artosna dalamun teu acan diartosan mahmoal tiasa dipidamel. Jantenkedah aya artosna heula cenah.Enjingna kuring mios ka Ban-dung, badé masihkeun artoskanggé tarawanga téa ka punlanceuk. Mios ka Bandung téhénjing-énjing da ari mios sontenmah sieun kahujanan. Ma’lumda harita téh nuju usum hujan.Tapi ari jas hujan mah mekel étaogé, disimpen dina bahasimotor. Teu kacatur dijalanna,nepi wéh ka Bandung, pernahnamah ka STSI (Sekolah TinggiSeni Indonesia), tempat punlanceuk kuliah. Kuring neleponpun lanceuk, ngawartosan yénkuring tos dugi ka STSI. Wantunnelepon sotéh bubuhan apal, bi-asana jam sakitu mah punlanceuk téh sanés nuju kuliahtapi nuju latihan sareng grupnanyaéta Pancasura. Jadi radanyalsé, da éta mah di luar jamkuliah.

“A, ieu artos kanggotarawangsa téh, kinten-kintenjantenna iraha nya, A?” ceukkuring.

“Nya paling saminggu duamingguan lah, da saur Aa tukangtarawangsa téh dipiwarang singalus da ieu mah jang anggoeun,”témbal lanceuk.

“Oh, muhun atuh A. Upamitos beres Ganjar wartosan deui.”Tembal kuring.

Haté kuring bungah pisan, tosngemplong deuih da artosna tosdipasihkeun, ayeuna ngan kan-tun ngantosan tarawangsa jeungkantun diajar wéh. Ti harita ku -ring sok sering ngupingkeunlalaguan tarawangsaan améhbisa wanoh sareng bisa nurutan.Kuring sok ningalan sarengmacaan di google, wikipedia,jeung website-website liannapikeun leuwih nyaho ngeunaantarawangsa. Osok ogé ningalanvidio di youtube. Geuning aye-una mah tarawangsa téh diga-bungkeun jeung alat musiktradisional nu séjén deui. Con-tona digabungkeun jeung alatmusik karinding, ogé ku paranonoman ayeuna mah dikoalbo-rasikeun eujeung alat-alat bandunderground sagala.

Sora tarawangsa mah ka ku -pingna téh matak keueung. Bén-ten sareng sora rebab, sora rebabmah sedih, ari sora suling mahwa’as, aya deui sora saxophonemah watekna romantis. Kulan-taran sora tarawangsa matakkeueung, pantes lamun tara -wangsa kadang sok diangge dinamusik-musik underground.Tarawanga oge osok dipin-

Juara 1 Pasanggiri Ngarang Carpon Paguyuban Pasundan

Meuli TarawangsaKu Ganjar Purnama Wildan

Page 28: Mangle 2434

Manglé 2434 27

tonkeun di luar nagri, para pa-maén téh mahasiswa-mahasiswati STSI. Tah kuring kataji kukaluar nagrina, bisa ngulinkeunalat musik tradisional Sundanyaéta tarawangsa. Da ari cita-citakuring téh hoyong ka luar negrimintonkeun garapan-garapan tra-disional Sunda oge ngangkat yénSunda téh beunghar ku budaya.

Atos saminggu kuring ngan-tosan, meni bungah kuring siap-siap ka Bandung bade ngabantuntarawangsa, tapi kuring ngasmsheula pun lanceuk bade naros -keun beres atanapi teu acantarawangsa téh.

“Assalamualaikum, A kumahatarawangsa téh tos rengse atanapiteu acan?” ceuk kuring ka lanceuk.

“Waalaikumsallam, teu acanNjar, da acan aya beja deui, ke kuAa diwartoskeun deui tos beresmah.” tembal lanceuk kuring.

“Oh muhun hatur nuhun,” tem-bal kuring.

Keuheul, kesel, handeueul,pacampur hiji. Diwalah-walah tosberes, ehh geuning teu acan jan-ten-janten tarawangsa téh. Geusteu sabar hoyong geura diajartarawangsa téh gagal deui. Sabarhate! Kuring ngartos, da saur punlanceuk ge beresna téh saming-guan atanapi dua mingguan. Jadikuring ngantosan samingguandeui. Sabar we ah! Da cenah nusabar mah sok pinanggih jeungbagja. Minggu kadua kuringngasms heula ka pun lanceuk bilihkawas kamari hanas tos siap-siapngaluarkeun motor tapi teu jantenmios.

“Assalamualaikum, A kumahatarawangsa téh tos janten teu acanti tukang tarawangsa téh?” ceukkuring.

“Waalaikumsallam, duka tahdua ku Aa di sms ge teu aya nga-bales wae da di kampus ge teuacan pendak wae sareng rerenca -ngan aa-na,” tembal lanceuk ku -ring.

“Atuh kumaha A atos duaminggu teu acan janten-janten?”tembal kuring.

“Yeuh ieu taroskeun weh kuGanjar ke dikirim keun nomorna,”tembal lanceuk kuring.

“Muhun atuh A,” tembal ku -ring.

Kesel! Ongkoh dua minggu jan-ten, tapi teu acan janten wae! Kukuring dicobian disms teu ayangabales wae. Ditelepon teu di-angka wae. Hiji waktu, eta tukangtarawangsa téh ditelepon ku punbapa tapi teu diangkat.

Pas keleresan kuring nuju lati-han jaipongan di STSI kuringpanggih jeung pun lanceuk. Ku -ring ngobrol sareng pun lanceuk.Jadi tukang tarawangsa eta téh

sagrup sareng pun lanceuk. Ku -ring hoyong nepangan namungtukang tarawangsa eta na geuningteu aya wae, saur pun lanceukmah teu acan jol. Kuring mah soknyeri hate keur bener-bener ha -yang ari pek sok aya wae haha-lang, itu tea, ieu tea! Keun we lahda meureun can waktuna. Kungsihiji poe, ku kesel-keselna nung-guan eta tarawangsa, kuring ny-obaan ngasms ka eta tukangtarawangsa tapi tos sababarahakali ngasms teu aya waleran ti an-jeunna téh. Duka kunaon eta téh?Duka teu acan beres, dukakumaha! Dicobian ditelepon, tapigeuning teu diangkat-angkat.Terus we ku kuring téh ditelepondugi ka lima kalina “no yang andatuju sedang tidak aktif.” Meureundipareuman da neleponan wae.Da ari kuring mah nelepon téhhoyong terang eta perkawistarangwasa tea. Ari artos di-pasihkeun, ari barang teu acanrengse wae. Malam saptu tepatnapas lanceuk kuring mulih tiMalaysia, pun lanceuk ngob-rolkeun yen tukang tarawangsatéh ngiring ka Malayasia. Nya kitumah pantes sms teu dibales, tele-pon teu diangkat oge.

Didinya pun bapa nyuhunkeunnomor hpna eta tukang tara -wangsa.

“Cing mana nomer tukangtarawangsa urang cobian di smsdeui ku bapa,” ceuk pun bapa.

“Nya ke dikirimkeun ka hapebapa,” ceuk kuring.

Saatos masihkeun eta nomerpun bapa langsung ngasms katukang tarawangsa téh. Teu lamiaya waleran ti tukang tarawang -sana téh. Manehna ngajangjikeunyen tarawangsa téh paling tiasadinten minggu payun da anjeunnateu acan mulih ka Rancakalong.Tah ku kituna bapa nganuhun-keun ka tukang tarawangsa. Anuka sakian kalina kuring bungah daminggu enjing mah bener-benerjanten tarawangsana da tos ayakabar jeung ngajangjikeun mi -nggu payun. Abdi ge geus nga-jangjikeun ka barudak uranglatihan karinding tarawangsaanda kuring ningali di Youtube teageuning da enakeun.

Minggu anu dianti-anti ku ku -ring oge ku pun bapa oge datang,abdi siap-siap tos ngaluarkeunmotor kangge nyandak tarawang -sa ka Bandung, oge kuring téh tosngajak babaturan kuring da nyan-dak tarawangsana sesah da age-ung geuning. Saacan angkat téhkuring sareng babaturan kuringnuju caralik keneh terus aya tu -kang baso, eta babaturan kuringtéh ditraktir heula tuang baso, ketos tuang baso urang angkat. Sa-

teuacanna kuring miwarang punbapa nelepon heula tukangtarawangsana. Tapi ku keuheulnatéh eta tukang tarawangsa teu di-angkat-angkat telepon ti pun bapatéh duka kunaon. Didinya punbapa oge keuheul terus weh punbapa téh ngirim pesan singkat katukang tarawangsa eta téh.

“Kumaha tarawangsa téh?Iraha beresna? Piraku sarua seni-man teu apal kana kabutuhan se -niman? Da biasana mah senimantepat jangji, bisa dicekel carios -anana.” Ceuk pun bapa.

“Hapunten bapa kaleresan abditeu acan uih, abdi teu gaduhkendaraan insya allah minggupayun abdi bade uih,” tembaltukang tarawangsa.

“Muhun mangga, ku bapa di-cepeng jangjina,” tembal punbapa.

Saminggu ti harita tukangtarawangsa ngasms deui ka ku -ring, ngawartosan yen tarawangsatéh tos janten. Ayeunatarawangsana téh dititipkeun dipos satpam STSI anu dipayun. Toskenging berita kitu mah kuringsiap-siap angkat ka Bandung, ogeteu hilap ngajak babaturan. Saatosdugi di STSI Bandung, di pos sat-pam kuring ngaroskeun ka sat-pam.

“Pa, punten bade tumaros, dupiaya titipan tarawangsa kitukadieu?” ceuk kuring.

“Oh, muhun aya, ari ujangtimana?” tembal satpam.

“Ieu sareng Ganjar nu pesen ieutarawangsa, ayeuna bade dican-dak pa abdi tos nyarios kanungadamelna, saurna kantun nyan-dak di pos satpam bae,” tembalkuring.

“Oh kitu, muhun candak wehari tos kitu mah,” tembal satpam.

“Nuhun Pa, tembal kuring.“Sawangsulna,” tembal satpam.Kuring wangsul na ka bumi

jeung hate bungah da ayeunakalaksana ngagaduhan tara -wangsa téh, oge ayeuna téh badenepangan barudak pan geus nga-jangjikeun latihan bade nyobianngolaborasikeun alat musik rebabjeung karinding celempung.Saatos di bumi kuring masih hu-lang-huleng keneh, na kunaon dageuning ari tarawangsana aya aripangeset tarawangsana teu ayatina bungkusan. Kuring didinyalangsung ngahubungi deui tukangtarawangsana naroskeun deuiperkawos pangsetna, bilih muragdi jalan tapi da rarasaan mah teumurag da ti jalan oge ditangkeupdi tengah jok motor. Tapi nasaurna téh kakantun di Rancaka-long. Nya abdi téh atuh ngantosandeui kantun pangeset. Ari kamari-kamari ngantosan tarawangsa,

ayeuna ngantosan pangeset.Ahirna abdi ngangge pengesetrebab kuring kangge pangesettarawangsana. Tapi alhamdulillahaya oge tarawangsa, kuring bisanepatan jangji latihan da leressaur pun bapa ge da ari jangji se -niman mah kedah di cepengbener. Kuring lalatihan jeungbarudak sakalian ngalatih ogemaenkeun tarawangsa, da sabenermah kuring teu bisa maenkeuntarawangsa ngan kuring apanandiajar rebab di sakola kuring. Etaoge duka leres duka henteu caranyurupkeun oge cara penyarian -na. Kuring nyobian milari pan-yarian tarawangsa di google,wikipedia, youtube, tapi teu aya dasesah artikel nu kitu mah geuning.

Poe nu salajengna nya sim ku -ring nga-sms deui ka tukangtarawangsa naroskeun perkawispangesetnana.

“Assalamualaikum, A kumahaperkawis pangeset tarawangsa téhieu abdi peryogi kangge maen -keun,” ceuk kuring.

“Waalaikumsallam, muhun Aateu acan uih ka bumi ke minggonpayun Aa bade uih heula ka Ran-cakalong bade nyandak pange-setna,” tembal tukang tarawangsa.

“Muhun atuh A, diantos.” Tem-bal kuring.

Sabenerna mah kuring geushoream naros-naroskeun deuitapi da kumaha perlu ieu kanggetarawangsa, da lamun teu ayapangesetna mah moal disada, un-tung oge eta aya pangeset rebababdi.

Kuring nyobian deui ngasmstukang tarawangsana perkawis etapangeset, tapi angger keneh teuaya waleran ti tukangtarawangsana. Dicobian diteleponangger keneh teu diangkat wae.Hiji poe kuring nyobian dongkapka STSI hoyong pendak sareng etatukang tarawangsa téh namungku kuring di sms téh hoyong ngo-brol sareng anjeunna teu ayawaleran wae. Tah semet dinyakuring tara naros-naroskeun deuiperkawis pangeset ka tukangtarawangsa, keun weh sugan ingetsorangan. Jadi tungtung mahpengsetna téh teu acan aya waenepi ka ayeuna oge, da ari saurtukang tarawangsana téh tiluratus rebu téh tos sareng pange-setna. Tapi kuring teu se’ep akalgara-gara teu aya pangesettarawangsana kuring jadi teu bisadiajar kana tarawangsa, jadi tung-tungna mah kuring nganggepangeset rebab kangge diajartarawangsa da ari ngarep-ngareppangeset ti tukang tarawangsamah iraha jadina.***

Cintamulya, 16-04-2013

Page 29: Mangle 2434

28 Manglé 2434

Ketua DPRD Provinsi JawaBarat Irfan Suryanagara nga -dongsok ka organisasi pa-

muda pikeun ngajak masarakatsangkan ulah masualkeun deui isu-isu atawa pekara nu aya patalinajeung kadaerahan di wilayah JawaBarat anu masih keneh diadureny-omkeun ku para inohong “senior” diJawa Barat. Hal ieu dieceskeun deuiku Irfan dina sela-sela gempunganjeung jajaran Majelis Pemuda Indo -nesia (MPI) KNPI.

Irfan ngungkabkeun kawariwangnatumali jeung ayana beja selentinganayana daerah nu hayang misahkeunmaneh ti provinsi Jawa Barat sa -kumaha anu kungsu diramekeun diwilayah Cirebon sarta wacana nga -degna provinsi anyar di bagean kulon

anu boga wates jeung ibukota anusabenerna mangrupa panyumbangPAD panggedena keur Jawa Barat nugedena geus nepi ka 46 persen.

"Kumargi kitu ayeuna pamarentahtarekah satekah polah kanggo ngaya -keun pemerataan pangwangunan,henteu ngan ukur fokus di wilayahpriangan wae, tapi oge ka kabu-paten/kota anu jadi wates sarengibukota di kulon sareng wilayah anugaduh wates sareng Jawa Tengah."Pokna.

"Jawa Barat sanes saukur wilayahPriangan wungkul, aya wilayah Cire-bon, Indramayu, Majalengka, Kuni -ngan oge aya wilayah Depok, Kara wang, Bekasi, Bogor. Upami kajante-nan aya wilayah anu misahkeunmaneh, kumaha atuh sarng wilayah

sanesna sapertos Garut, Tasikmalaya,Ciamis padahal dugi ka ayeuna pen-dapatan PAD Jawa Barat nu pang-gageungna teh justru asalna tiwi layah anu hoyong misahkeunmaneh." Pokna deui.

Nurutkeun Irfan wilayah Cirebonmemang geus puguh boga minyak,kitu deui jeung wilayah Bekasi,Depok, Karawang, Bogor anu saes-tuna mangrupa wates jeung ibukotaminangka puseur muterna ekonomi.Hal ieu memang jadi ancaman keurpamarentah Jawa Barat upama me-mang kajadian aya wilayah anu gedepotensina keur Jawa Barat hayangmisah tur nyieun provinsi anyar.

Kusabab kitu nurutkeun Irfan geuslain waktuna deui ngomongkeunwilayah Priangan atawa Sunda asli,pituin atau menak Sunda waé, tapisakabeh wilayah di Tatar Sunda ieunu kudu jadi tanggung jawab jeungpancen sarerea dina enggoningngawujudkeun kamakmuran di JawaBarat.

DPRD Provinsi Jawa Baratsalawasna ngarojong sangkan ayanatilu wilayah budaya nyaeta Priangan,Cirebonan jeung Betawi di wilayahJawa Barat bisa sajalan jeung bisameunangkeun hak anu sarua dindasagala widang utamana dina pang-wangunan daerah.

Pamarentah dina hal ieu DPRD mi-harep oge ka sakumna organisasi ka-pamudaan sangkan bisa nepungkeunatawa jadi “jembatan” keur sakumnakelompok masarakat jeung PemprovJawa Barat, sangkan program pang-wangunan sagancangna di hagetkeundi sakabeh wilayah Jawa Barat turbisa dilaksanakeun sacara adil jeungrata.***

(AS)

Jawa BaratLain Priangan Wungkul

Ketua DPRD Prov. Jawa Barat Irfan Suryanagara

Page 30: Mangle 2434

Manglé 2434 29

DPRD Jawa Barat ngagelar"hearing dialog" atawa de -ngar pendapat antara Wakil

Gubernur Jawa Barat Deddy Mizwarjeung sajumlah ino hong atawatokoh masarakat anu ngiritik kana"tugas ganda" Deddy Mizwar nudipercya jadi wakil kepala daerah,tapi masih katalian keneh kontrakkomersial.

Kegiatan ieu diayakeun ku alpu -kahna pingpinan DPRD Jawa Baratanu diwaki lan ku Wakil KetuaDPRD Jawa Barat ti Fraksi PartaiGolkar Drs. H. Uu Rukmana, di lobiruang sidang DPRD Jabar.

Nurutkeun Uu Rukmana, tujuandigelarna acara ieu nyaeta pikeunneangan jalan atawa solusi anu alustina permasalahan "tugas ganda"Wakil Gubernur Jawa Barat.

Dina acara ieu DPRD Jabar ogengondang para inohong sapertiTjetje Padmadinata, PengamatHukum Dindin S Maolani, Penga-mat Birokrasi Memet Hamdan,Pengamat Budaya Yayat Henda -yana, Pengamat Politik Upa Safari,Wakil Ketua DPD Partai GerindraJawa Barat Sunatra, sarta ti mediaJanuar P Ruswita. Pasualan masihkatalian kontrak komersial DeddyMizwar anu geus jadi Wakil Guber-nur Jawa Barat téh tetela masihkeneh jadi kacapangan.

Wakil Gubernur Jabar DeddyMizwar sacara serius ngaregepkeunpara inohong anu keur nepikeunkereteg hatena jeung unek-uneknapatali jeung iklan anu mintonkeunDeddy Mizwar.

Dedy netelakeun, yen can aya ren-cana megatkeun kontrak bintang

iklan sacara sapihak jeung para pro-dusen iklanna.

"Upami sim kuring mayar pihakprodusen atanapi putus kontrak,atuh sim kuring téh bakal disebat teuterang etika, anu ditulis wae teu di-palire. Tah hal ieu bakal jadi awon kaWagub Jabar. Ieu integritas sim ku -ring," ceuk Deddy.

Nurutkeun Deddy, dina industriperi klanan, pausahaan geus nyip-takeun rarancang iklanna keur sa-taun. Kaasup jadwal iklan jeunganggaranana.

Megatkeun kontrak di tengahjalan, ceuk Deddy bakal ngahe-sekeun boh keur pihak pausahaanboh bentang iklanna.

"Milih talent anu tiasa ngadugi -keun bewara téh henteu gampil.

Malah mah biasana diayakeun sur-vey mangbulan-bulan sateuacanna.Hal ieu bakal ngarugikeun, sim ku -ring alim dzalim," pokna.

Aya sababaraha hal anu ku Deddyditepikeun dina acara ieu, nyaetamoal narima kontrak deui jeungmanjang keun kontrak.

"Kanggo kapayunna sim kuringmoal nampi deui kontrak enggal.Moal neraskeun atanapi manjang -keun kontrak nu aya ayeuna.

Kontrak nu aya, bakal direnegosi-asikeun deui ku sim kuring.

Upamana bae wangunan ik-lanna dirobih jadi edukasi masa -rakat. Sim kuring bakal nyarioslangsung ka pihak produsen,"pokna.***

(AS)

DPRD Jawa Barat Ngabahas “Tugas Ganda" Wagub

Deddy Mizwar, Wakil Gupernur Jawa Barat

Page 31: Mangle 2434

30 Manglé 2434

Kota Bandung minangkakota agamis, dina nga -wujudkeun masarakatanu mulya ahlakna,sangkan taya kajadian

anu méngpar tina norma agama, lainsaukur ku cara medalkeun paraturanwungkul, tapi kudu aya pangawasananu daria sarta tuladan ti pamingpingsangkan bisa jadi conto ka masarakat.Dina momen bulan Romadon anumangrupa bulan nu pinuh ku bere -kah tur rohmat, sangkan kaom mus-lim ngarasa tengtrem dina ngalak sana keun ibadah puasa, sagala rupahiburan peuting kudu ditutup sabu-lan campleng, luyu jeung Perwal(Peraturan Walikota).

Éta hal ditétélakeun ku KetuaKomisi A DPRD Kota Bandung HaruSuandharu SSi.MSi, ka Manglé sa -watara waktu nu kaliwat di rohangankantorna.

“Dina prak-prakan ngalaksanakeunéta Perwal, kedah aya pangawasananu langkung daria, bilih aya pangu -saha anu teu taat kana aturan sartangajalankeun usaha hiburan peutingkalawan susulumputan. Pangusahaanu ngarempatk aturan kedah di -tiban an sangsi anu beurat, ti ngawi-tan tegoran lisan sareng tulisan dugika dicabut ijin usahana. Éta tindakantegas téh kedah dilaksanakeun ku Pa-maréntah Kota Bandung. Ulah dugika aya ormas Islam anu ngiring aubmetakeun tindakan, margi bakal nga-balukarkeun datangna pasualananyar. Anu kedah nanjeurkeun atu-ran nyaéta pamaréntah ngalangkun-gan dinas anu aya pakaitna sareng étahal, di antarana Dinas Pariwisatasareng Sap.Pol PP.,” kitu ditétélakeun

ku Haru, anu ogé kacatet minangkaanggota déwan ti Fraksi PKS.

Ceuk Haru, pangusaha kudu tata-har sarta ti anggalna mula bogaitung an yén dina usaha hiburan peu -ting mah usahana ngan sabelasbulan, lantaran salila bulan puasakudu bener-bener eureun. Jadi, tayaalesan sieu teu bisa ngagajih pa-gawéna, sabab geus ditataharkeunsarta diitung ti anggalan mula téa.

Kategasan aparat pamaréntah,utama na Sat.Pol. PP Kota Bandung,éstu dibutuhkeun pisan pikeun nan-jeurkeun wibawa pamaréntah.

La mun aya oknum aparat anu mérétoléransi ka pengusaha hiburan peu -ting nu ngarempak aturan, atasananakudu gancang méré sangsi ka étapatugas.

“Dina ngalaksanakeun paraturanpamaréntah, aparat téh ulah mung

Salila RomadonTempat Hiburan

di Kota Bandung Kudu Ditutup

Ketua Komisi A DPRD Kota Bandung, Haru Suandharu SSi, MSi.

Page 32: Mangle 2434

Manglé 2434 31

ukur ngantosan laporan ti masarat,tapi ngalaksanakeun pangawasanlangsung ka lapangan pikeun ném-bongkeun yén pamaréntah Kota Ban-dung mémang daria dina nanjeur keun aturan,” pokna.

Dina Bulan Romadon, Haru ngém-bohan, dipiharep obyagna kagiatanibadah téh lain ngan saukur katém-bong di masjid-masjid wungkul, tapiogé deuih di tempat séjénna sapertidi kantor, di mol, jeung sajabana. Étataya lian ti pikeun ngajénén bulanRomadon jeung anu ngalaksanakeunibadah puasa.

Pamaréntah kudu jadi régulatorsangkan masarakat Kota Bandungbisa ningkatkeun kaimanan, uta-mana dina bulan Romadon.

Sajalan jeung ayana Perda DiniyahTakmiliyah anu pungsina pikeun ne-dunan kabutuhan atikan agamaIslam, sarta ngamekarkeun kahiru-pan muslim anu luhung élmuna turpengkuh agamana, anu brasnangawujudkeun masarakat anu mi -banda pribadi percaya diri sarta séhatjasmana jeung rohani. Ogé dinararaga ngalaksanakeun pembinaanwidang agama islam, momen bulanRomadon jadi bahan évaluasi dinangalaksanakeun éta Perda, salahsahijina nyaéta ngatik masarakatdina widang pendidikan agama Islamanu dilaksanakeun ku organisasi,lembaga masarakat, jeung pamarén-tah. Contona, dina kagiatan nga -buburit dipihareup pinuh di masjidmasjid, ngaderes tadarus Al Qur’an.

“Kanggo ningkatkeun katengtre-man masarakat dina sasih saum,peryogi aya pembinaan ka nu dagangkatuangeun sangkan ngahormat kanu saraum, ulah icalan ti siang. Pa-padaning kitu, pamaréntah ogékedah masihan solusi sangkan anudagang tetep enging barokah dinasasih saum, ngalangkungan dinasanu aya pakaitna sareng éta hal.Kedah diémutan kumaha caranasangkan éta nu daragang téh masihkénéh tiasa usaha dina bulan Ro-madon bari jeung tetep tiasa ngalak-sanakeun ibadah saum, atanapihenteu ngaganggu anu nuju ibadahsaum,” pokna deui.***

Cucu/Dédé

Salila Romadon tempat hiburan peuting kudu tutup (nét)

Pamaréntah kudu ngajamin katengtreman ibadah dina bulan Romadon (nét)

Ngabuburit di masjid leuwih hadé bari tadarus (nét)

Page 33: Mangle 2434
Page 34: Mangle 2434

Manglé 2434 33

Mapag romadhontéh loba kénéhgeuning jalmanu ngadon me -resihan kuburan

bari ngadaru’akeun jalma-jalmanu dipiasihna. Teu nolih panonpoé nu maju ka panas, loba kénéhnu patingkalosrék nyapukeunkalakay daun samoja nu malugu-ran. Kabeurangnakeun, saurang-saurang ngalaléos ninggalkeunpajaratan. Tita kaasup nu balikpandeuri. Méméh ngaléosmanéhna ngalieuk ka palebahgundukan taneuh beureum.Emh....manéhna ngabayangkeunjasad Wiwin nu geus sataun katukang istirahat panjang di jerokubur......

Sing tengtrem, Win. Mugi teuweléh disarengan ku paramalaikat nu soméah. Di-

caangkeun di jero kuburna. Dita-mpi iman sareng Islamna. Diha-punten dosa-dosana. Haté Titangagerentes.

“Hayu!” ceuk Ayang nu ngajan-teng gigireunana, ngenyang leu -ng eun Tita.

Tita nuturkeun Ayang, ning-galkeun pajaratan nu mimitikarasa panas ku sinar panon poé.Harita geus méh tabuh duabelas.Sajeroning leumpang mapay jalansatapak nu brasna ka jalan gedé,maranéhna ngabaretem. Taya nunyarita saurang ogé. Masing-ma -sing anteng dina pikirananaséwang-séwangan.

Anjog ka jalan gedé, Tita nyokotmotorna nu diparkir teu jauh tisisimpangan ka makam. Sanggeusdihirupan, geuleuyeung ka beulahwétankeun, ngaboncéng Ayang.

“Ku teu sangka nya, ari umur?”

ceuk Tita. Padahal kalimah éta téhteuing geus sabaraha rébu kalidikedalkeun ampir sataun ieu.Bakat ku can percaya kénéh yénWiwin téh geus teu aya dikieuna.Tuda asa diheulang pisan kuWiwin téh. Harita, sataun kamaridina hiji soré, bet aya béja Wiwinmaot lantaran tabrakan di Banjar.Innalillahi......

“Enya. Emh...urang mah ingetwé kana kalakuanana pidua -poéeun deui ka kajadian harita,”ceuk Ayang,”Bet asa leuwih cen-til...sihoréng kituna téh....,” Ayangteu nganggeuskeun omonganana.

“Ari sugan...urang wungkul noboga kesan kitu téh,” ceuk Tita.

Jempé deui. Ukur sora mesinmotor nu ngagerung. Léokméngkol ka jalan nu ka kénca. Tidinya mah teu jauh imah mara -néhna téh. Poé éta Tita jeung

Carpon Rumaja

NyekarKu Ena RS

Page 35: Mangle 2434

34 Manglé 2434

Ayang ngahaja teu asup sakola,ménta idin. Geus ti béh ditu mula,éta dua sobat téh boga niat hayangnyekar ka makam Wiwin samé -méh romadhon taun ieu.

Teu pati lila Tita geus nepi kaimahna. Ayang mah terus leum -pang, mapay gang ka beulahkulon. Sanggeus neundeun mo-torna, Tita terus ka kamar mandi.Awakna karasa rada reged. Brusmandi. Réngsé mandi, Titangadon ngahuleng di kamarna.Komo basa neuteup poto dinatémbok kamar. Témbong dinapoto téh Wiwin keur seuri diapitku manéhna jeung Ayang. Étapoto téh basa maranéhna rék asupka SMU, dua taun ka tukang.

Enya, pan manéhna, Ayangjeung Wiwin téh sosobatan ti keurSD mula. Sakola teu kungsi pa-pisah. SMP babarengan di SMPTambaksari. Kitu deui SMU.Bubuhan imah maranéhna ogésakomplék, teu pati pajauh.

Lucu Wiwin téh, resep heureuy.Jeung batur teu weléh akur. Tarabelikan deuih najan ku baturremen digonjak ogé. Éta, pédahawakna lintuh, sakapeung mahsok aya nu nyebut sagedé dreumogé....ih, da manéhna mah tarariuk-riuk. Paling ogé ukurnyéréngéh....

“Séhat ieu téh...!” ceuk Wiwinlamun aya nu ngageuhgeuykeuntéh. Komo lamun pareng anungagonjakna awakna leutik mah,sok kalah ka malikkeun,”Batan didinya....awak sagedé patlot!Menghawatirkan organisasi pang -an dunia,” pokna, bari ditungtu -ngan ku seuri ngagakgak.

Nineung ku kituna ka Wiwintéh. Kungsi hiji mangsa manéhnanyaritakeun indung bapana rékpepegatan. Wiwin curhat ka Titajeung Ayang.

“Sedih urang mah. Kumaha teu-ing mun Bapa jeung Mamah tuluspepegatan. Urang mending miluka saha, nya? Milu jeung Bapa,

bisi Bapa engké kawin deui. Sieunku indung téré. Milu jeungMamah, kumaha mun Mamahkawin deui. Urang mah embungboga Bapa téré...,” ceuk Wiwinharita.

“Sing sabar, Win,” ceuk Ayang.“Enya, anggur mah ngadu’a ka

Alloh, sangkan Bapa jeungMamah Wiwin teu jadi pepegat -an,” ceuk Tita.

“Enya...ngadu’a mah méh teukaitung, ampir unggal usik, ung-gal tas sholat. Kadang keur diajardi kelas gé urang mah ngadu’a.Tapi angger wé...urang mahsedih...”

“Nya...sedih mah wajar atuhWin. Sok ku Tita dibantuanngadu’a.”

“Enya, bantuan. Asal urangménta buruh ngadu’awé.....urangna teu boga duit,” ceukWiwin bari nyeuleukeuteuk.

“Tah geuning....sukur atuh ah,ari bisa kénéh seuri mah,” ceukAyang bari seuri kagugu.

“Seuri gé ieu mah kapaksa,Yang..”

“Baé maksakeun gé, nu pentingmah Wiwin teu sedih deui. Sanéskitu?”

Untungna téh indung bapanateu tulus pepegatanana téh. Jadikasieun Wiwin teu kungsi karan-dapan. Enya...kasieun boga in-dung atawa bapa téré téa.

Dua bulan saméméh Wiwin mu-lang ka kalanggengan, Tita kungsimukaan buku diari Wiwin. Dinasakaca, aya sajak anu unina kieu:

.................Mun ajal datang néang,KuringAnjeunMo’ bisa baha.................

Emh, paingan ceuk batur.Cenah nu geus deukeut ka maotmah sok nararémpél. Ucapanana,kalakuanana, mun diimeutan sokmatak anéh. Sadar sotéh geus ka-

jadian. Éta wé, naha Wiwin betnulis sajak nu eusina ngeunaanajal. Horéng meureun manéhnakungsi mikiran ngeunaan ajal.

Tita gé teu pati apal kajadian -ana. Ngen ceuk béja, cenah poééta Wiwin téh ka Banjar, mawamotor sorangan. Basa rék mulangtabrakan lebah Lemah Neundeutjeung papada motor. Cenah motorituna nu tekor na péngkolan, tuluyngahantem motor Wiwin nu saruarék méngkol ti beulah dieu. Wiwinkungsi dibawa ka rumah sakit,tapi teu katulungan da cenahtatuna parna. Ituna, nu nabraknaogé ceuk béja mah maot sapadaharita.

Emh, Win, ku teu sangka nasibanjeun téh bet tragis kitu, gerenteshaté Tita. Teu sangka bakal pon-dok umur. Padahal mun ingetkana obrolanana ngeunaan cita-citana, asa panjang kénéh ariharepanana mah. Cenah, Wiwintéh hayang jadi guru.

“Jadi guru naon, Win?” ceukAyang harita.

“Nya...guru SD gé teunanaon....,” ceuk Wiwin.

“Ari sugan...hayang jadi gurusumo!” ceuk Tita.

“Pédah awak urang lintuh? Ha,ha, ha...manéh mah ka urangtéh!” ceuk Wiwin bari neunggeultonggong Tita sahabekna. Saréréaseuseurian nepi ka reumbaycimata.

Ah, Win, ayeuna mah anjeunukur jadi panineungan, gerentesTita. Kuring yakin, anjeun meu-nang pangbagéa nu hadé di alamkubur. Muga-muga dicaangkeun,sarta ditampi iman sareng Islam -na, dihapunten sagala dosana.

Wilujeng istirahat, Win...Titangarénghap. Teu karaca cipa non -na ngalémbéréh mapay pipi.Pileuleuyan. Muga engké di pa -dang akhérat urang ditepung keundeui ku Gusti nu Maha Asih.Amin.***(Sidamulya, mapagromadhon)

Page 36: Mangle 2434

Manglé 2434 35

Gina Juwitasari

ImpianImpian datang ‘na tungtung peuting

Mangsa ati geus nyangreud jangji pasini

Kaharti yén bulan mo’ leungit éndahna

Saprak harita......maheut, matri ‘na ati sanubari

Impian téh nyata bakal kasorang

Taya karémpan nu ngahalangan

Kuring ‘na tungtung impian......***

SoranganNgahaleuang lagu katresna

Hawar-hawar tembang asih maturan simpé

Simpé haté nu nyorangan di mumunggang

Nya kudu ka mana nyantélkeun ieu rasa?

Kuring poékeun.....

Haté humarurung, gering nangtung, ngalanglayung

Ka mana nganteur katresna...?

Langit mingkin mongkléng peuting ieu

Lir haté sorangan nu leungit sarina

Ka mana kuring kudu ngaléngkah...?***

Sajak Rumaja

Page 37: Mangle 2434

36 Manglé 2434

Kangaranan musibah,teu di nagara urang teudi nagara deungeun.Teu ukur di wilayahnagara nu keur nga -

wangun, tapi ogé bisa kajadian dinagara maju. Musibah TsunamiAcéh sababaraha taun ka tukang,kajadian bedahna situ di Tange -rang, musibah Merapi, lini di Jog-jakarta jeung Tasikmalaya.Panganyarna banjir di Wasiorjeung tsunami Mentawai. Pating-jelegur, patinggulidag, patingsaléormatak gimir, matak ketir. Taya deuidaya manusa iwal ti kudu bisa, kuatjeung tawekal dina nyanghareup -anana.

Kajadian anu anyar pisan, nga-jelegur di nagri sakura. Jepang, na-gara anu kawentar maju dinatéknologi jeung ahli dina ngawan-gun bangsana jadi hiji nagara anudipikasérab di dunya, dina waktunameunang musibah mah teu bisamanggapulia. Tsunami nu ngaléléddi wewengkon Séndai jeung sabu -deureunana, hiji bukti yén murkaalam teu bisa dibendung ku kama-juan téknologi. Dina kakawasaana-Na téknologi bisa kaléléd tsunami.Teu kurang ti alarm jeung alat-alatséjén tanda panginget ka manusakana bahaya tsunami, tetep teu bisameper ngagulidagna cai laut anujungkiringna harita antara 8 nepika 10 méter. Nilik tina jangkungnacai nu ngagulung ngalétak daratanJepang harita, bet asa pamohalanmanusa bisa lumpat tina amuka -nana. Allohu Akbar.......seug urangJepang arapaleun kana lapadz éta,moal teu handaruanana éta soratakbir di sakuliah Jepang. Tapiduka naon anu dilapadzkeun ku

maranéhna mangsa kakawasaanAnjeun-Na nguwak-ngawik ka-mandirian éta bangsa pabrik mobiltéh.

Hiji hal anu pasti, sakur musibahanu kajadian di dunya, pasti aya“sutradara” anu nyababkeunana.Saréatna, alam anu mimiti teusaimbang alatan manusa anu sokloba poho nyebut asma-Na.

Manusa umumna boga watekgedé angkeuh, asa aing pangbisana,asa aing pangpinterna, asa aingpangbeungharna. Manusa saka -peung poho yén daya upayana nga-muara ka takdir Manten-Na. Tayahiji ogé kajadian di alam ieu anulain gurat ti Anjeun-Na.

Jadi kahékatna mah sidik, hirup-hurip manusa téh aya anu ngatur.Jodona, patina, bagjana, cilakana,anging Anjeun-Na anu MahaKawasa.

Urang salaku bangsa anu di-takdirkeun “wawuh” kana ayat-ayatsuci Nu Maha Kawasa, tangtu kudubisa neuleuman tur nyurahan sakurmusibah anu karandapan. Moalsamangsa-mangsa Gusti maparinhiji musibah lamun taya hikmahsatukangeunana.

Mudah-mudahan waé bener, yénbangsa Jepang ogé kadieunakeunmah kabéjakeun geus mimiti lobaanu ngagem agama Islam atawaagama-agama samawi séjénna.Hartina, tina kitab suci naon baé,geus loba di antara urang Jepanganu mimiti beunta yén hirup-huripmanusa téh darma wawayanganbaé.

Kamandirian bangsana tangtulain sagala-galana. Saluhureunanaaya “causa prima” anu boga hakprérogatif tunggal pikeun ngusik

malikkeun sakur mahluk nu nya -waan ciptaana-Na.

Sabalikna urang, salaku bangsaanu kacaritakeun geus ti baheulamula apal kana rupa-rupa ajaranagama jeung kayakinan, tangtuceuk tadi gé kudu bisa leuwih telebnarima hikmah tina sakur musibah.Mudah-mudahan urang ogé jadimilu leuwih “bareunta”, leuwihsadar yén kahirupan urang kabéhgeus lamokot teuing ku dosa.

Ti luhur nepi ka handap, ti sisikénca nepi ka katuhu, ti jero nepi kaluar, sakujur awak urang, sakumnaséké sélér bangsa urang, kudu geusmimiti bebenah “haté”.

Sadar yén hirup ukur saayeu-naeun. Aya alam langgeng nu kuduogé jadi perha tian urang saréréa.Kacida dipahingna poho kaakhérat, tapi moal matak hadé ogélamun urang teu dudunya. Lan-taran, rék kumaha tengtremibadah, lamun bubutuh pokosalaku manusa kékéréhét. Intina,kudu saimbang antara perhatianurang kana kahirupan dunya jeungakhérat.

Pikeun para nonoman, mudah-mudahan sakur kajadian di nagaraurang sing bisa jadi eunteung,pibekeleun hirup geusan jaga nga-heuyeuk ieu nagri. Ka saha deuigenerasi kolot mihapékeun nagarajeung bangsa ieu lamun lain kagene rasi ngorana. Ku kituna, geuswaktuna para nonoman nata-harkeun jiwa raga, jasmani rohanianu séhat. Séhat awakna, séhat kol-buna. Pinter otakna, pinter haténa.Mémang teu gampang jadi manusaparipurna, tapi anging Alloh, tayahal anu mustahil. Komo lamun tu-juanana kana pihadéeun.***

Darma WawayanganKu Gemi Nastiti

Kolom Rumaja

Page 38: Mangle 2434

Manglé 2434 37

Kementerian Dalam Negeri (Ke-mendagri) ngajadikeun Kabu-paten Bandung minangka

daé rah percontohan, lantaran dianggappangpunjulna “best practice” dina nga -laksanakeun program Pelayanan Ad-

ministrasi Terpadu Kecamatan (Paten).Ti 2011, sakabéh kacamatan di Kabu-patén Bandung, geus mibanda ruang ad-ministrasi Paten.

"Tina 497 kabupatén/kota di In-donésia, nu parantos ngalaksanakeun

Paten nembe aya 275 kabupatén/kota.Tapi nu saé dina prak-prakanana ukursababaraha daérah, salah sahijina Kabu-patén Bandung," ceuk Dirjen Pemerin-tahan Umum Kemendagri, Dr. MadeSuwandi M.S., waktu ditepungan sabadangaresmikeun sarta “launching” ruangpelayanan Paten, sawatara waktu nukaliwat di Kacamatan KutawaringinKabupatén Bandung.

Bupati Bandung, Dadang M Naser,nétélakeun, dirina geus ngalimpahkeun385 kawenangan ka kacamatan. Tujuandilaksanakeunana Paten, taya lianpikeun ningkatkeun kualitas palayananka masarakat. Jadi, masarakat bisanarima palayanan publik leuwih deu -keut ka padumukanana.

Bupaté ogé ngémbohan, dukungankeur program Paten diimplemén-tasikeun ku waragad Rp 7,75 miliar. Étaintervénsi waragad téh diancokeunpikeun 31 kacamatan. Saban kacamatanmeunang Rp 250 juta, nu alokasinapikeun ngawangun rohangan Paten.***

nunk

OJK keur Masarakat JabarDitepikeun dina Basa Sunda

Jlug-jlegna lembaga kauangan di Indonésia éstu matakreueus. Kituna téh, lantaran pasar Indonésia boga harepannu kacida legana. Ngan hanjakal, kasadaran masarakat

pikeun leuwih mikawanoh lembaga kauangan can pati nyuge-makeun. Kitu diantarana jejer obrolan Direktur Fungsional Pro-gram Literasi Keuangan OJK (Otoritas Jasa Keuangan), AgusSugiarto, waktu sosialisasi peran OJK di Hotél Hilton Bandung,sawatara waktu ka tukang.

Dina panitén Agus, ngadegna OJK, lain lantaran lembagakauangan nu aya, saperti perbank-an atawa jasa kauanganséjénna kurang daria atawa teu mawa harepan, tapi ayana lem-baga OJK téh sangkan dina pungsi pangawasan ka lembagakeuangan ogé henteu paburencay. Lantaran deuih, ketak OJKjinek, minangka pusat otoritas pangawasan dina ngajalankeunpungsi pangawasan ka sakumna lembaga kauangan nu aya,kaasup ogé dina sistim keuanganana.

Ku kituna, sangkan OJK bener-bener luyu jeung pungsina,Agus ngémbohan, teu aya deui jalan salian ti kudu nyekelpageuh amanat Undang-undang No. 21 taun 2011 ngeunaanOJK, ogé kudu jadi kapercayaan masarakat Indonesia.

Ditepikeun ku Basa DaérahnaSangkan masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh kana

OJK, tangtu sosialisasi ogé bakal ngagunakeun basa daérah.Dina hal éta, pihak OJK ogé, ngahaminan pisan usulan ti Mang -lé, sangkan masarakat Jawa Barat leuwih wanoh ka OJK, di-dadarkeunana maké basa daérah. Saperti di tatar Jawa Barat,ditepikeun dina basa Sunda. Kituna téh, sangkan haté ma -sarakat bisa leuwih katodél. Husus lembaga kauangan di JawaBarat mah, ceuk DR. Kusumaningtuti Sandriharmy Soetiono,S.H., LLM, Dewan Komisioner Otoritas Jasa Keuangan nunyekel widang Édukasi jeung Perlindungan Konsumén, mé-mang euyeub pisan. Ku kituna, sosialisasi OJK di Jawa Baratperlu perhatian husus. *** (RH)

Kabupatén Bandung Pangpunjulna dina Paten

Bupati Bandung jeung Dirjen Pemerintahan Umum Kemendagri, Dr. Made Suwandi M.S

Agus Sugiarto, Direktur Fungsional Program Literasi KeuanganOJK, waktu sosialisasi peran OJK di Hotél Hilton Bandung

Page 39: Mangle 2434

Kota Bandung anu legana16.729,50 km2, miboga panjangjalan 1.236,48 km kalawan jum-

lah kandaran 859.411 mobil jeung356.714 motor, sarta angkutan kota5.521 unit. Saban taun jumlah kan-daraan téh naék 11 persén. Dina sabanpakanci ditambahan ku 3.500 kan-daraan ti luar anu datang ka Kota Ban-dung. Hal sarupa kitu ngalantarankeunKota Bandung nyanghareupan pasualanmacétna jalan anu hésé diungkulanana.Éta hal ditétélakeun ku Kabid Lalinpar(Kepala Bidang lalulintas dan Parkir)Dishub Kota Bandung, Agung PurnomoATD.SE.MSi, ka Manglé sawatara waktu

anu kaliwat.“Teu saimbangna panjang jalan

sareng jumlah kandaraan ngalanta -rankeun seueur jalan anu macét.Seueurna kandaraan téh balukar tinakamekaran ékonomi, ogé daya tarikKota Bandung minangka kota wisatasareng ibu kota propinsi nu ngalan-tarankeun warga ti luar daérah sumpingkadieu tur nyarandak kandaraan. Pa-padaning kitu, Dinas Perhubungan KotaBandung teu reureuh metakeun ihtiarkanggo ngungkulan éta pasualan,sangkan Kota Bandung janten nyaman,tengtrem, sareng aman,” pokna.

Ceuk Agung, Dinas Perhubungan

Kota Bandung geus nyieun léngkah-lengkah pikeun ngungukulan pasualanmacétna jalan, di antarana ku ngawa -ngun sarta ngabebenah sarana tranpor-tasi. Pikeun ngajaga kasaimbanganmoda tranportasi diatur ku sistim ATCS(Areal Trafic Control System). Di KotaBandung kacatet aya 135 titik sisimpa -ngan anu diatur ku lampu stopan (trafficLight). Tapi tina jumlah sakitu téh 40perséna ruksak, tur lamun usum hujansok mindeng ngaco. Taun 2013 dian-cokeun waragad pikeun ngoméan lam -pu setopan jeung nyieun rarambupatalimarga. Salila ieu, tihang rarambupatalimarga mindeng leungit, sartakabel-kabel lampu setopan réa anu ma-ling. Ku alatan kitu, kiwari mah tihangrarambu patali marga jeung panunjukjalan téh dijieun leuwih luhur tur gedé,jadi bakal hésé diragaji sarta leuwih kuatlamun kateunggar ku mobil, lantaranréa kasus rarambu nu ruksak kateung-gar ku mobil tur palakuna teu bisa nga-gantian. Pasualan séjénna anu nga balukarkeun macétna jalan téh nyaétapasoléngkrahna parkir kandaraan.Ngaliwatan UPT (unit Pelaksana Tek-nis) dilaksanakeun pangawasan sartanartibkeun parkir nu nyoko kana Perdano 16 taun 2012 ngeunaan ditetepkeun -ana lokasi jeung posisi parkir di sisi jalanumum, sarta tempat husus parkir anujumlahna aya 238 lokasi. Pikeun nan-jeurkeun aturan, pihak Dishub gawébareng jeung pihak pulisi sarta SatpolPP Kota Bandung, anu dina prak-prakanana ti mimiti méré sanksi mang -rupa tilang nepi ngagembok mobil anuparkirna ngarempak aturan sartangaranté motor anu parkir lain di tem-patna.

“Mung baé dugi ka danget ayeunaseueur kénéh masarakat anu parkirsambarangan. Ku margi kitu, peryogiditingkakeun kasadaran masarakatsareng kapadulian dina nyiptakeun ka-disiplinan lalulintas,” pokna deui.***

Cucu

38 Manglé 2434

Jalan di Kota Bandung Teu Saimbang jeung Jumlah Kandaraan

Page 40: Mangle 2434

Manglé 2434 39

Wali Kota Bandung,Dada Rosada, geusresmi nyabut Ijin

Mendi rikan Bangunan (IMB)PT. EGI (Esa GemilangIndah) di Babakan Siliwangi,nu salila ieu geus jadi pacogré-gan di antara pemkot nu méréijin ka PT. EGI jeung ma -sarakat Bandung nu kaweng -ku kana Forum Warga PeduliBabakan Siliwangi nu dilu-luguan ku Tisna Sanjaya. Di-cabutna éta IMB téh ditan des keun ku walikota dinaacara Orasi Budaya SyarifBastaman “Negara Ini TakBerpagar” alpukahna ForumWarga Peduli Babakan Sili-wangi di Gedong YayasanPusat Kebudayaan (YPK) Jalan NaripanBandung, sawatara waktu nu kaliwat.

“Sim kuring dina hati nurani mahsapamadegan sareng sikep rayat nuditepikeun ka déwan sareng ka gedongwalikota, boh ku cara-cara nu lemesatawa ku cara démo. Minangk walikotaanu pancénna méré panyalindunganjeung karaharjaan ka balaréa, sim kuringsapuk, hayu urang tutup lahan anu 0,2%atanapi 2000 méter pasagi di Babakansiliwangi, nu jadi bahan pacogrégan téa.Sim kuring kantun nyanggem ka pan-gusaha PT EGI. Ka saderek Tisna(Pupuhu Forum Warga Peduli BabakanSiliwangi-réd) supados ngadamel timkecil kanggo ngabébérés hal-hal nu sala-jengna. Margi ieu aya pasualan IMB tang-tos aya prosés hukumna. Upami ayapencabutan tangtos kedah aya wangkon-gan atanapi babadamian. Tah sakitu wénya. Bérés panginten ayeuna mah, moalaya démo deui?” cék Walikota, dibagéa -keun ku émprak surak balaréa.

Tisna Sanjaya harita kénéh gé langsungnyieun “tim kecil” nu ngawengku ahlilingkungan hirup, budayawan, ahli tatakota, hukum, jeung pupuhu adat nupanceg sikepna teu unggut kalinduan teugedag kaanginan dina ngabéla kapentin-gan rayat. Sakumaha nu geus pada apal,PT. EGI (Esa Gemilang Indah) sawatarataun ka tukang geus hasil nyakuan IMB ti

pihaknu boga wewenang, pikeun ngadegkeunwangunan réstoran di lahan Babakan Sili-wangi (Baksil). Tapi rayat nu kritis teupanuju, laju maju mertahankeun pungsiBabakan Siliwangi pikeun RTH (RuangTerbuka Hijau), paru-paru kota, malahgeus diresmikeun minangka “Hutan KotaDunia”. Nya antukna jadi pacogrégan nutaya tungtungna. Dua pihakananakeukeuh-peuteukeuh dina pamade-ganana séwang-séwangan. Puncakna,dina tanggal 20 Mei 2013 séng nu nutu-pan babakan siliwangi, sabadana dilukisjeung ditulisan ku soara protés para sen-iman, dicabutan laju ku Forum WargaPeduli Babakan Siliwangi bareng jeungratusan warga, seniman, budayawankatut para inohong Sunda sapertiKasepuhan Solihin GP, Acil Bimbo, TisnaSanjaya, Budi Dalton, Hermana HMT,Gustaf, Isa Perkasa, Robbi SundawaniWirabuana, jrrd, diarak sarta dibawa kakantor Walikota. Hanjakal, Walikotaharita keur suwung, rombongan téh di-tarima ku Wakil Walikota, Ayi Vivananda,nu saterusna milu néken sacara pribadikateupanujuanana kana pangwangunanréstotan di Baksil. Pamustunganana, nyadina acara Orasi Budaya Syarif Bastamandi YPK harita, Walikota Dada Rosada,méré kapastianana.

Dina orasina, Syarif Bastaman mi-nangka Pupuhu BAMUS (Badan Musya -

warah Masyarakat Sunda)Puseur, peupeujeuh sangkanrayat Bandung jeung pamarén-tahna layeut sabilulungan dinangaréngsékeun sagala pasualan.Baksil, cék Syarif, mémangalusna mah jadi RTH (RuangTerbuka Hijau) tapi aya proséshukumna kudu diréngsékeun.

“Kanggo Pa Dada, puntenBaksil mah mémang langkungsaé janten Hutan Kota. Mémangkedah aya prosés hukumna, na-mung pasualanana teu kedah di-aageungkeun, mung kantun ayakomunikasi nu dalit antawis pa-marentah sareng steakholderna.Kitu deui ka Kang Tisna, Baksil

saé pami dipertahankeun jantenRTH. Dayeuh Bandung mémang

peryogi paru-paru kota nu soméah sarengkadongkang ku rayat, tapi kedah cainahérang laukna beunang,” pokna.

Dina kagiatan orasi kabudayaan nugeus hasil jadi cukang lantaran pataré-manna antara kahayang rayat jeung pa -mingpin harita, dihadiran ku parainohong, seniman, budayawan, LSM, ma-hasiswa, jeung warga Bandung lianna.Kaasup Tejtje Hidajat Padmadinata,Tisna Sanjaya, Nanang Masoem, RobbySundawani, Asep Berlian, Pa Surya(tokoh étnis Tionghoa nu nyunda), DiroAritonang, Hikmat Gumelar. Kagiatan gédireuah-reuah ku prosési “Rajah” MasNanu Muda, Dalang Opik SunandarSunarya nu dipirig ku haleuang jurukawih Mutia (Pinunjul Kawih Sunda sa-Jawa Barat) jeung jentréng kacapi DeniMulyana (Juara Tembang Sunda Damas).Teu tinggaleun démo ngagambar ku Isaperkasa jeung Diyanto (Solilukui) nu milungaramékeun acara. Lukisan Isa nujudulna “Lemah Cai” langsung dibeuli 25juta ku Putri Syabas (garwana Syarif Bas-taman), nu hasilna pikeun ngawaragadankagiatan ngamumulé Babakan Siliwangi.Minangka panutupna, Dada Rosadajeung Syarif Bastaman dipasrahan bibittangkal kacapiring ku opat panari.***

Asép GP

IMB PT. EGI di Babakan Siliwangi Dicabut

Walikota Bandung narima binih tangkal kacapiringsabada acara orasi budaya Syarif Bastaman

Page 41: Mangle 2434

40 Manglé 2434

Page 42: Mangle 2434

Manglé 2434 41

Aya hiji manuk cangkurileung. Min-deng hiber ka pilemburan. Pang-pangna ka deukeut imah leutik

padumukan hiji aki-aki jeung pamajikan -ana. Éta aki-aki éstu bageur. Someah.Handap asor. Nyaah ka sasama. Kaasup kasasatoan.

Beda jeung pamajikanana. Nini-ninigoreng budi. Gawé baketut haseum. Se -ngar sengor, ambek-ambekan. Teu kaopaya kakurang atawa capé ku pagawéan.

Atuh cangkurikeung resepeun pisan kaaki-aki. Komo unggal datang, sokdibagéakeun dihiap-hiap. Disuguhansaaya-aya. Gedang atawa cau. Terus duaanmacangkrama. Cangkurileung ucla-aclédina dahan bari bacéo. Aki-aki jongjonkaprak-keprek baranggawé. Nganyambilik atawa nganyam parabot dapurbangsaning ayakan, boboko, hihid, jeungsajabana. Jualeun ka nu butuheun.

Wanci burit, cangkurileung ge gancangmulang ka padumukanana di leuweung.

Hiji poé, kawas sasari, cangkurileungdatang ka imah aki-aki. Tapi taya nungabagéakeun. Kawasna aki-aki keur iangka nu rada jauh.

Barang clé kana gantar pamoean, ujug-ujug habek aya nu neunggeul. Sihoréngnini-nini telenges geus ti tadi ngadodoho.

“Beunang siah, manuk bangkawarahtéh !”nini-nini napsu pisan. Pamatukcangkurileung dipaksa dicekahkeun. Sretlétahna diteukteuk ku péso nu geusdibabawa ti tadi. Lung dialungkeun ka lua -reun pager.”Jor siah mantog. Awas mundatang-datang deui ka dieu !”

Keur mah reuwas jeung nyeri,cangkurileung lenglengan kapaéhan. Un-tung gancang eling. Geleber hiber lalau-nan. Sajajalan ceurik. Teu nyangka bakalmanggih nasib sial. Kaleungitan létahsapotong. Atuh lapur teu bisa bacéo.

Meunang saminggu, cangkurileungnyirekem dina sayangna. Teu bisa kama-mana. Ngadagoan létah cageur. Barang-hakan kapaksa ku lapar.

Aki-aki ngarasa kaleungitan. Biasanaari datang ti panyabaan,cangkurileung sokmapagkeun. Nyéngclé dina pager atawadina dahan tangkal di buruan.

“Ninina, teu nénjo cangkurileungdatang tadi?”aki-aki nanya ka pamajikan -ana, sugan apaleun.

“Nyao !”jawab nini-nini judes.”Boro-raah ngurus nu kitu patut. Ngurus paga -wéan gé teu anggeus-anggeus.

Lantaran ambleng, aki-aki kapaksaindit ka leuweung. Rék neangan sobat.Sajaja lan gegeroan :

“Cangkurileung, cangkurileungKa mana geuningan anjeunAmpleng-amplengan teu datangIeu aki kaleungitan.”

Kitu jeung kitu, ti isuk nepi ka soré.Isukna, indit deui.

Kabeneran cangkurileung geuscageur. Geus bisa disada deui. Ngadéngésora aki-aki, gancang ditembalan :

Aduh aki, watir teuingLeumpang jauh mani ripuhBakat ku sono ka kuringUntung geus nyampak susuguh

Handapeun kiara badag, tempatcangkurileung nyayang, aki-akingalungsar. Ngararasakeun angin tiisngahiliwir. Ngararasakeun kabungahpanggih jeung sobat. Ka aki-aki,cangkurileung teu betus perkara kalakuannini-nini. Cukup ku bebeja gering.

Enyaan aki-aki disuguhan sagala rupa.Bungbuahan nu aramis jeung parelem.Bongborosan nu ngepros ngeunah. Malahbasa rék mulang, dititah milih hadiah nugeus ngahaja disayagikeun ti tadi. Mang -rupa dua barang ahéng. Nu hiji cepuk leu-tik camperenik. Nu hiji deui, peti badagdihias dialus-alus.

“Ah, nu leutik wé. Hampang mawana.Ongkoh ka dieu sotéh lain rék néangan ha-

diah. Bakat ku melang wé ka anjeun,cangkurileung,”cék aki-aki saméméhindit, bari omat-omatan, sangkancangkurileung nganjang deui unggal poékawas sasari.

Barang nepi ka imah, cepuk dibukahareupeun nini-nini. Eusina bangsa intenberlian, nu murub mubyar cahayaan.

“Aya kénéh hadiah séjén di padumu -kan cangkurileung téh, aki?” nini-niningadak-ngadak marahmay.

“Aya. Peti badag. Ngan moal kauntupmawana. Matak milih ieu wé nuleutik,”jawab aki-aki.

Sapeueuting, nini-nini ngageremet.Nyalahleun aki-aki, naha bet milih cepuk.Lain peti. Meureun eusina leuwih réa.

Rebun-rebun, kalawan rerencepan,nini-nini indit ngajugjug panonobancangkurileung nu lebah-lebahna geus di-caritakeun ku aki-aki. Anjog ka dinya,wanci haneut moyan. Dibagéakeun kucangkurileung nu taya riuk-riuk keuheul.Disuguhan sagala rupa. Atuh baliknaditawaran bisi hayang meunang hadiah,rék cepuk atawa peti.

“Peti wé dieukeun,”cek nini-nini maninyorongot.

Ti leuweung ka lembur, mawa petibadag. Atuh ripuh pisan. Mindeng tigubrag. Mindeng labuh. Datang wancisareupna, nini-nini ngajongkeng di buru -an. Nangkub kana peti.

Teu maliré capé, bari rarampéolan,gancang nyokot linggis keur nyungkalturub peti. Kajurung ku hayang geuranénjo eusina. Pasti mutiara barakbak,leuwih alus jeung leuwih réa ti batan eusicepuk aki aki.

Barang bray, ukur batu karikil, keusikjeung taneuh. Malah aya oray tinglaleor,jeung langgir tingkodomang. Puguh baénini-nini reuwas. Nepi ka tijengkang kanakamalir. Ngajehjer kapaéhan d dinya.Éling éling isukna.Kageuingkeun ku sorabacéo cangkurileung nu rék nganjang deuika aki-aki. *** (H.Usep Romli HM)

Cangkurileung Nyobat jeung Aki-Aki

Page 43: Mangle 2434

Wangsakerta Sejarawan Moyan

Nyarungsum Karajaan sa-Nusantara

42 Manglé 2434

Minggu pengker dipedar ngeuna -an naskah-naskah katya Pangé -ran Wangsakerta anu lobana 29

judul. Dina éta katalog dipidang keun ogékarya-karya tulis generasi saméméhWangsakerta, di antarana baé;1) Purwaka Samasta Bhuwana karya

Pangéran Losari, 17 jilid.2) Pustaka jeung naskah Rontal jaman

Panembahan Ratu, 91 jilid3) Naskah Ramayana karya Pangéran

Losati , 7 jilid.4) Naskah agama Islan karya Pangéran

Manis saparakanca, 300 jilid.5) Sarwacarita karya jaman Panemba-

han Girilaya , 75 jilid.Naskah asli Samasta Bhuwana ditulis

ku Dharmakitri dina basa Malayu kunoditulis di Sriwijaya taun 1020 Masehiterus disalin ku Pangéran Losari taun1518, ahirna ditarjamahkeun kana BasaPurwajawa ku Pangéran Wangsakertataun 1676. Naskah-naskah anu midang -keun sajarah daérah téh disusuna meu-nang nyarusun dina wangunan tilu sérianu mimiti. Unggal parwa Pustaka rajya -rajya I Bhumi Nusantara judulna husus.

Parwa 1 Pustaka Kathosana Rajya -rajya I Bhumi Nusantara (RIBN)

Parwa II Pustaka Rajyawarmana ,RIBN

Parwa III Pustaka Kretajaya, RIBNParwa IV Pustaka Rajakawaca, RIBNParwa V Pustaka Nanaprakara, RIBN.Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa -

dwipa diwincik jadi;1) Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa -

dwipa , 4 jilid2) Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawa

Kulwan , sajilid3) Pustaka Pararatwan I Bhumi

Swarna dwipa , 2 jilid4) Pustaka Pararatwan II Nusantara I

Bhumi Nusantara ,sajilid5) Pustaka Pararatwan I Balidwipa-

manggala , sajilidPustaka Nagara Kertabumi jeung

Pustaka Carita Parahyangan mah henteudiwincik kana kudul - judul

Husus iwalti dibagi kana parwa jeungsarga. Nulis opat sarga jadi buku (pinus-

taka) téh méakeun waktu22 taun ( 1677-1698 ).Niténan runtuyan daptarna katité-

nan aya nomer sarga gedé nu ditulisheulaeun sarga anu leutik dina patwaanu sarua. Kitu deui sababaraha sargapustaka, Rajyarajya I Bhumi Nusantaraditulis mareng

Jeung sababaraha sarga PustakaPararatwan I Bhumi Jawadwipa. Hal étangabuktikeun yén saméméh dibukukeun(pinustaka) saméméhna ditataharkeunheula kopé asli nu lengkep, Taksiran ieudikuatkeun ku kanyataan yén caritasarua dina rupa-rupa seri parwa jeungsarga sering ditulis dina runtuyankalimah anu sarua ogé. Sawatara sargadibéré jilid pelengkap nu maksudnangoréksi sarga-sarga nu ditulissaméméhna. Pelengkap jeung koréksiumum dituliskeun dina Pustaka Rajya -rajya I Bhumi Nusantara parwa V ( 5sarga).

Nurutkeun Pangéran Wangsakerta, diantara pustaka milik karaton Kasepuhanaya ogé milikna para duta atawa Maha -kawi utusan ti daérah séjén anu satangmusawarah (Mapulung rahi) di Cirebontaun taun 1599 Saka (1677 Masehi). Di-antarana loba anu ngahadiahkeun naskahnu dibawana ka Sultan Cirebon Tapi ayaogé anu saukur nginjeumkeun, hartinakudu dipulangkeun deui. Sabab aya anuhayang neuleuman leuwih jero terus di -salin deui keur kapentinganana séwang-séwangan. Aya anu narik, upamana baénaskah-naskah karya Prapanca dibawanaka Cirebon ku Mahakawi utusan ti Bali,lain ti Jawa Timur.

Aya GotrasawalaDina jilid Sakabéh naskah anu

dikumpulkeun Pangéran Wangsakertasalawasna maparin kalimah panganteurnu eusina ngeunaan asal-usul penulisanatawa nataan saha-saha baé anu milunyusuna.

Tina kalimah panganteur éta pisanbisa kanyahoan yén dina taun 1677Masehi di karaton Kasepuhan kungsilumangsung Gotrasawala (Musyawarah

kakulawargaan) para ahli sajarah sanusan tara. Gotrasawala digelar dumasarkana pamundut Sultan Kasepuhan jeungKanoman. Éta téh pikeun nyumponanamanat Panembahan Girilaya kaPangéran Wangsakerta supaya Wangsa -kerta nyusun sajarah karajaan-karajaandi Nusantara. (Pustaka Rajyarajya IBhumi Nusantara) . Palaksanaana di -jurung ludeung jeung pidunga Sasuhu-nan Mataram jeung Sultan Banten. Dinakalimah panganteurna susunan lengkepkapanitiaan dituliskeun ku PangéranWangsakerta;a) Pananggung jawab (pribumi), Sultan

Sepuh jeung Sultan Kanoman.b) Ketua Gotrasawala; Pangéran

Wangsakerta.c) Panaséhat;1. Dharmadyaksa Karasulan Ulama

Islam ti Arab.2. Dharmadyaksa Kasewan (ulama Siwa

ti India)3. Dharmadyaksa Kawesrawan (Ulama

Hindu ti Jawa Timur)4. Dharnadyaksa Kasogatan (Ulama

Budha ti Jawa Tengah)5. Dharnadyaksa kong pu ce (Ulama

kong Hu Cu ti Semarang)

Panitiya palaksana Jaksa Pepitu tiCirebon nyaéta ;1. Raksanagara penulis naskah jeung nu

ngatur gempungan.2. Anggadiraksa wakil Penulis naskah

ngarangkep Bendahara3. Purbanagara nu ngumpulkeun jeung

nyeleksi bahan naskah.4. Singanagara, pananggung jawab kaa-

manan5. Anggadipa Juru Basa, Duta Keliling

nu nanggung jawab ondangan nudisebarkeun ka tiap pamilon.

6. Pananggung jawab konsumsi7. Nayapati, pananggung jawab

akomo dasi jeung angkutan Para pamilon dibagi kana lima kolom-

pok atawa Sangga.Sangga ! ; Surabaya, Pasuruan, Pana -

rukan, Balambangan, Bali, Madura,Makasar, Bhanggali, Maluku, Galilao,

Page 44: Mangle 2434

Manglé 2434 43

Seram, Lwah gajah, Ambon, Gurun,Taliwang, Bantayan, Banten jeung Palem-bang.

Sangga II; Mataram, Lasem, Tuban,Wirasaba,Kediri, Semarang, Bojoagung,Bagelan, Dermayu, Losari, Berebes,Tegal, Japara, Mantingan, Bonang.

Sangga III ; Jayakarta, Demak,Kudus, Cirebon, Gresik, Tanjungpura,Karawang. Cangkuang, Kuningan, Lam-ongan, Tembayat, Sebayu, Malaka,Barus, Tumasik jeung Trengganu.

Sangga IV : Sumedang, Sukapura,Parakan muncang, Galunggung, Ranca-maya, Ukur, Talaga, Sindangkasih,Galuh, Kertabumi, Rajagaluh, Luragung,Imbanagara, Giri, Sumedang Duwur.

Sangga V; Jambi, Bangka, Perelak,Berunai, Lamuri, Kuta Lingga, TanjungKutai, Tanjung Puri, Tanjung Nagara,Minangkabau, ( Kampeharwa Mandai -ling), jeung Siak.

Para pendengar (Pangreungeu);Mesir, Arab, India, Srilangka, Benggala,Campa, Cina, Semenanjung Malaka.

Para pangreungeu tugasna sakadarngareungeukeun jeung nyakséni Gotra-sawala, teu boga hak sora. Tapi di-antarana aya anu nyumbangkeun naskah,pangpangna nu eusina perjangjian jeungWalanda.

Tahap-tahap pembahasan Diatur;Tiap anggota Sangga kudu nyusun

sajarah daérahna masing-masing nu eusi -na kudu disaluyuan ku sidang Sangganamasing-masing.

Hasil Gotrasawala di tiap Sanggakudu diasongkeun dina sidang lengkepku jurubicarana masing-masing.

Diajén bebeneranana ku parapanaséhata) Diajén kacocoganana jeung eusi pus-

taka nu geus diaku kaabsahanana.b) Sabada kabéh mupakat terus dijieun

risalahna sacara resmic) Neda kasaluyuan ti Sultan anu opat d) Sabada dibukukeun, tanggung jawab

Pangéran Wangsakerta.

Sejarawan Nu NyongcolangAmbahan lalakon sajarah nu

ditembra keun ku Pangéran Wangsakertangalimpudan kurun waktu anu disebutna“ Purwayuga”. Kira-kira sajuta taunsaméméh tarih Saka. Ti saprak Nusan-tara dieusian ku

mahluk-mahluk hewan (Satwa-purasa). Tepi ka peristiwa perjangjian an-tara Cirebon jeung Walanda

Taun 1681. Mangsa harita Wangsa -kerta nataan para tokoh anu dipendem diGiri Saptarengga nyaéta Gunung Sem-bung nu mashur disebut Gunung Jati.Jenengan Sultan Sepuh l, nu wapat taun1697. Naskah-naskah anu geus

kakumpulkeun kakara bisa kaungkab -keun kajadian-kajadian jeung daptar pa-maréntahan para raja, lengkep jeungtaun pamaréntahana di sawatara daérah,Perelak, Samudra Pasey, Sriwijaya,Jawa Barat, Jawa Rengah, Jawa Timur,Banjarmasin, Nusa Bali. Disebut ogétokoh wanoja Aceh Laksamana Malaha -yati jeung Patih Lambung Mangkurat tiKarajaan Banjar.

Nyebarna agama Islam di Pulo Jawadiungkabkeun ti jaman Darmawangsa,lengkep jeung Madhab anu diagem kupara penyebarna. Diungkabkeun ogéngeunaan tokoh penyebar Islam Fatimahbinti Maimun nu dipendem di Désa LeranGresik, éta masih mangrupa misteri sa-jarah di Nusantara.

Dina sawatara hal pedaranana sa-jalan jeung anu kaunggel dina prasastianu geus dikenal. Dina hal-hal sejennabisa dikatagorikeun logis , hartina henteutojaiah jeung prasasti anu geus aya.

Ciri gaya tulisan umum dina jaman -na, kacirina téh upama Wangsakertangagambarkeun kageulisan wanojaatawa ngagambarkeun perang jeungungkapan-ungkapan anu ampirsalawasna sarua.

Tapi tara nyelapkeun “ mariem”, iwalti keur urang Portugis atawa Demak,waktu Cirebon perang jeung Galuh diPalimanan deukeut Bukit Gempol taun1528.

Cukup narik, Pangéran Wangsakertaméré judul Nusantara keur buki sajarah -na nu mimiti,

Anu dongkangan wawasana cukupisti mewa dina jamana.

Ngaran Nusantara jeung bisa jadi ogéKertabumi dipaké ku Sang Pangéran ku-

lantaran kacida kasengsremeunana kukarya-karya Prapanca.

Tiantara 10 karya Prapanca nu geusdisalin di Cirebon ku Wangsakerta, diantara na “ Katha Pustaka

Dasawarnana” nu mashurna ayeunamah disebut “ Negara Kertabhumi”.

Dina éta naskah aya nu disebutNusan tara tina ngaran Kertabumi bisajadi kailhaman ku istilah Kertagama.Dina ambahan sumber , PangéranWangsakerta sering titajong kanakatera ngan anu béda.

Tapi sok gancang ngajakan kom-promi, hartina tara kapapanjangan.Atawa méré katerangan anu jelas nga-jéntrékeun nurutkeun versi-versina jeungnétélakeun tulisan saha saenyana nu di -sebut béda téh.

Brukbrak nembrakna katingal écésdina medar hal ihwal saha saenyanaGajah Mada. Dina ngungkabkeun kaja-dian Perang Bubat, tandes pisanWangsakerta nétélakeun yén perangBubat kajadian akibat lakuning lampahMahapatih Gajah Mada. Ditembrakeunogé yén Gajah Mada kabur waktu arékditéwak ku Bhayangkata karaton Maja -pait. Tapi sacara jujur ngungkabkeun ka-jayaan Majapait jaman Prabu HayamWuruk, éta ogé nurutkeun Wangsakertaberkah Mahapatih Gajah Mada.

Upama ningal kana jamanna, henteukaleuleuwihi lamun tokoh PangéranWangsakerta meunang pangajén luhur,tokoh Sejarawan anu nyongcolan. Sababsakitu hébatna dina jamana mampuhnyarungsum sajarah karajaan-karajaanNusantara, cara mikir anu logis, gampangkahartina turta henteu bulat-beulit.**HRS**

Karéta Paksi Naga Liman Produk putra Cirebon abad ka 17.

Page 45: Mangle 2434

Mang Darma (65), wargaJatigede ukur seuribarang nampa beja yen

bendung Jatigede bakal dicaian timimiti 1 Oktober 2013 teh. MangDarma katingalina cangcaya. “Nahatiasa? Abdi mah cangcaya Jatigedejanten dano ti kawit 1 Oktober2013,” pokna ka nu nulis basangahaja keun ulin ka lelewek nubakal jadi bendungan di Sumedang.

Rada aneh mireng Darmanyarita kitu teh. Pasalna, nungaluar keun eta beja lain jore-jore.Apan nu ngembarkeunna tehMenteri Pekerjaan Umum DjokoKirmanto, ngawakilan Pamarentah,sawatara waktu kaliwat di Jakarta.

Cek Djoko, projek bendung nudirancang puluhan taun ka tukangteh bakal mimiti ngemplang ku caiti 1 Oktober 2013. Ti poe harita,torowongan nu aya di Jatigedebakal dibuka. Hartina cai ti Walu -

ngan Cimanuk jeung walungansejen na nu leuwih leutik bakal nga-malir ka Jatigede. Antukna, etabendung nu meakeun waragad nuteu saeutik bakal pinuh ku cai.

Eta ngandung harti oge, hek-taran lahan di eta wewengkon bakalkakeueum. Sajaba ti eta, kira 4.701KK nu ayeuna masih nganjrek dilelewek nu bakal kakeueum kudugeus dipindahkeun. “Samemehna,di lelewek bendungan geus tayadeui nu nganjrek. Warga geusdipindahkeun ka tempat-tempat nugeus ditangtukeun,” kitu statemenDjoko teh.

Aya nu percaya, Jatigede bakalmimiti ngemplang ku cai ti awalOktober 2013 sakumaha anuditetela keun ku Djoko Kirmanto.Tapi rereana mah nu cangcaya.

Basa nu nulis ngahaja ulin kalelewek Jatigede teh, mimitina mahnyangka nu pesimistis model MangDarma teh ukur hiji deui. Horeng,dina kanyataanna mah rea pisan.Malahan, bisa disebutkeun, ampirkabeh nu ditepungan sapamadeganjeung Mang Darma.

Ka nu nulis, Mang Darma jeungnu sejenna netelakeun, saenyanamah maranehna miharep Jatigedemimiti dicaian ti awal Oktober.Maranehna geus kesel nungguan.Tuda pamarentah boga rarancangnyieun dano gede di Sumedang tehapanan geus puluhan taun lilana.Enya, ayeuna maraneha hayangburu-buru mireng dano gede nubakal nyaian rebuan hektar lahanpertanian di Sumedang jeungsabudeureunana, najan maranehna

kudu korban lahan jeung imah.

Tapi maranehna teu yakin awalOktober Jatigede ngemplang kucai. “Kapungkur oge kantos ayakatera ngan ti pamarentah yenJatigede bakal dicaian ti mimititaun Anu. Tapi barang dugi ka taunnu disebatkeun, henteu keneh wae.Tah ayeuna ge kitu,” cek Rosidi(47), warga Jatigede sejenna.

Parurugi, mindahkeunwarga

Nya kunaon atuh pangna rea nucangcaya kana omongan Menteriteh?

Sabada dipaluruh ku nu nulis,horeng tug ka kiwari aya keneh pa-sualan nu can dibeberes ku pa-marentah. Eta pasualan, cankaruhan bisa beres samemehtorowongan gede di Jatigededibuka geusan ngamalirkeun cai tiwalungan Cimanuk.

“Pasualan nu utami, nyaetaparurugi tanah. Dugi ka ayeuna etapasualan teu acan beres. Warga nutanahna bakal kakeueum seueurkeneh nu teu acan nampi parurugi.Padahal kedahna mah tos beres tikapungkur. Duka ku naon pangnakitu. Panginten Pamarentah teukagu ngan waragadna.” cek Agus(43), tokoh pemuda Cihideung.

Leuheung pokna mun waragadnu kudu digolontorkeun keur nga-gantian tanah warga nu bakalkakeueum teh ukur samilyar-duamilyar. Ieu mah apan puluhan mil-yar malahan ratusan milyargedena. Nilik gedena waragad keur

44 Manglé 2434

Jatigede jadi Dano Mimiti Oktober?

Page 46: Mangle 2434

parurugi eta, warga antukna rea nucangcaya.

“Nu matak kaget, abdi nampiinfo, payung hukum kanggongagolontorkeun parurugina ge teuacan jentre,” pokna deui.

Pasualan sejen nu oge katitenmoal beres dina waktu sabulan-duabulan nyaeta mindahkeun warga tilelewek nu bakal kekeueum. Nurut -keun sawatara warga, Pamarentahtug ka kiwari can jinek dina sualeta; nya rek ka mana jeung kumahamindahkeun warga. “Padahalwarga teh jumlahna rebuan. Jabawarga teh boga kahayang nu beda.Maranehna teu bisa diatur kitu waeku pamarentah. Komo muntempat na dipandang moalnguntung keun mah,” cek Agus.

Pasualan “imah kajajaden” nudugdeg di lelewek Jatigede oge,ulah dianggap enteng ku pa-marentah. Agus netelakeun, me-mang, ngadegkeun wangunan dilelewek nu bakal kakeueum, ti ba-heula dipahing pisan ku pamaren -tah. Pamarentah, saingetna, ti awitmeuli tanah warga, geus netelakeunyen di luhureun lahan nu geusdibeuli, ulah aya adegan naon waesumawonna imah.

Najan kitu, pamarentah tetepkudu merhatikeun kahayangwarga nu ngadegkeun “imahkajaja den”: narima parurugi tipamaren tah. “Soal gede atawaleutik mah mangga we nyang-gakeun,” cek Agus. Najan kituAgus miharep pamaren tah teusagawayah mere parurugi ka nungakukeun boga eta imah, soalnaaya imah nu saenyana diadegkeunku “investor”.

Bari seuri, ka nu nulis Agus rada“nyalahkeun” pamarentah. Pokna,lamun pamarentah teu ngalila-lilaeta proyek mah nu disebut “imahhantu” atawa “imah kajajaden” tehmoal dugdeg di Jatigede. Nya kusabab lila tea, warga nu geus nga-jual tanahna ahirna ngadegkeunwangunan nu ayeuna disebut “imahkajajaden”tea.

“Malahan, apanan ku sabab lilateh rea warga nu asalna lunta kaGarut atawa luar Jawa teu saeutiknu baralik deui ka lelewek Jatigede.Mun teu dilila-lila mah moal ayakajadian kitu,” pokna bari seuri.

Parurugi siap

Tapi beda jeung warga,Pamaren tah taun ayeuna mahkatingalina yakin pisan pasualannaon wae nu aya di Jatigede barisrengse samemeh Oktober. MenteriDjoko Kirmanto moal wani nyebut -keun 1 Oktober 2013 torowongangede di Jatigede mimiti dibukapikeun ngamalirkeun cai ti walu -ngan, mun ngarasa teu yakin mah.

Buktina, basa mere kateranganpers di Jakarta, apan Djoko nete-lakeun yen pamarentah geus nyiap-keun anggaran tina APBN keurparurugi Jatigede. Anggaranna, tiKementerian Perumahaan Rakyat.Engke, pokna, sajaba ti bakal mereganti rugi langsung ka warga nuboga lahan di lelewek Jatigede,pamaren tah oge baris mindahkeunwarga ti lelewek nu kakeueum. “Warga bakal direlokasi, di antaraka lelewek nu deukeut ti Jatigede,”Djoko netelakeun. Hanjakalna,Djoko teu nembrakkeun sabarahasabenerna anggaran nu disiapkeunku Kementerian Perumahan Rakyatkeur eta kapereluan.

Kepala Bappeda Jabar DennyDjuanda kurang leuwih nandes -keun hal nu sarua. Denny nyebut -keun, pamarentah teh mimitinamah masang target bendungJatigede dicaian dina bulan Sep-tember. Alatan dana perumahannahenteu di Kementrian PekerjaanUmum deui tapi aya di Kementer-ian Perumahan Rakyat, jadina tar-get Jatigede ngemplang ku cai jadiawal Oktober 2013 engke. Rada lilateh sabab mroses anggarannamerelukeun waktu rada panjang.“Tapi peresmianna mah Pebruari2014 engke,” pokna di GedungSate.

Sanggeus waragad ngagolontor,warga bakal meunang perurugi

jeung bakal mimiti direlokasi. Munteu aya halangan, pokna, nupangheulana bakal direlokasi teh697 KK nu aya di lelewek nu bakaljadi dano. Maranehna bakaldipindah keun ka Desa ConggeangKulon, Conggeang Wetan jeungTakurjaya. “Proses ganti rugi jeungrelokasi dipiharep rengse dina taun2014, samemeh peresmian,” cekDenny.

Tangtu, bareng jeung eta,pamaren tah ge nyiapkeun payunghukum keur eta keperluan.Pasalna, bener cek Agus, tug ka ki-wari payung hukum keur prosesparurugi Jatigede teh can aya. Etahal diaku ku Kepala Dinas Pemuki-man dan Perumahan PemprovJabar Eddy Nasution. “Payunghukumna masih disiapkeun kupamaren tah pusat,” cek Eddy.

Eddy netelakeun, basa mrosesparurugi keur sawatara wargaJatigede, Pemprov Jabar masihngagunakeun payung hukum lila,nyaeta Permendagri No 15/1975.Eta teh digunakeun basa pa-marentah mere parurugi ka wargaantara tauun 1982 nepi ka 1986.Sajaba ti eta, pamarentah ogekungsi make Keppres No 55/1993(basa ngabebaskeun lahan antarataun 1994-1997), jeung make Per-pres No 36/2004 jeung P. Ka. BPNNo 2/2007 (basa ngabebaskeuntanah ti taun 2005 nepi ka ayeuna).

Nepi ka kiwari can aya katang-tuan naha payung hukum keurproses parurugi atau pembebasanlahan di taun ayeuna bakal makepayung hukum tadi atawa henteu.Ngan cek Eddy, pamarentah pusatayeuna keur nyiapkeun.

Ngeunaan “imah kajajaden”,Eddy nyebutkeun pamarentahmoal katipu kitu wae. “Imah kajaja -den” teh diadegkeun ku “investor”husus lain ku warga nu baralik deuika lelewek Jatigede. Tujuannasangkan meunang parurugi tipamaren tah. Pamarentah bakal ati-ati dina nyanghareupan eta pasua -lan.

(AP Sutarwan)

Manglé 2434 45

Page 47: Mangle 2434

46 Manglé 2434

Page 48: Mangle 2434

47Manglé 2434

Page 49: Mangle 2434

48 Manglé 2434

Tachrun Suwerpi

Untung Rugi Hirup ManusaManusa di dunya cicing,Teu béda ti nu ngumbara,Diayunan mimiti téh,Liang lahad nu kadua,Tilu surga naraka,Jauh lalampahan umur,Taun minangka fasena.

Poé-poé minangka mil,Bulan nyaéta farsakhna,Léngkah kawas nafas baé,Taat ka Allah hartana,Waktuna téh modalna,Rampogna mah hawa napsu,Jeung sagala kahayangna.

Untungna bakal papanggih,Jeung Allah Aza Wajalla,Di karajaan anu gedé,Nagri pinuh kabagjaan,Nyaéta Dar –AS- Salam,Kabéhna kahontal tangtu,Ku jalan taat ka Allah.

Ari nu nimbulkeun rugi,Nyaéta jauh ti Allah,Meunang ngan ukur bebendon,Cangkalak reujeung siksaan,Nu peurih di naraka,Di dinya cicingna matuh,Di Jahim lapisan handap.

Nu poho ka Maha Suci,Sanajan ukur sarenghap,Saméméh datangna paéh,Tangtu kaduhung ahirna,Nu moal béak-béakAtawa teu aya tungtung,Rugina salalawasna.

Padasuka Indah, 21-04-2013

Page 50: Mangle 2434

Sayudi

RévolusiCara Pangéran nyiptakeun manusa gelarna ka dunya sakedét nétra

Révolusi téh gawé rancagé wening lir beling melesat lir kilat lebar wawanén

Lega alah batan sagara ngaguruh lir ombak motah tapa istirah nu ngarangkadkeun kamartadan dunya impian saba tina cai késang patani

Ngagolak alah batan kawah nyongkab lir peurah ngahuru sakur tahayul ngarérab sétan marakayangan ngararatakeun kasta jeung warna sabab tina seuneu pameuleuman beusi kuli pabrik

Révolusi téh lagu kahirupan kidung kabebasan manusa tina siksa jeung tunggara séah maratan jagat perlawanan jeung kaunggulan nu mustungkeun rampung talikung nu numpes lanat Pangeran sabab tina angin angin puyuh lilimbungan napas napas rakyat tertindas

Lir pasir ngadiding langit perkasa yaksa ngajega ngemban amanat nagara dina dampal leungeunna gelarna dunya panonoban bangsa-bangsa saba tina taneuh daki kuli jeung patani getih, pati jeung lalaki

Bandung, 29 Maret 1965

Manglé 2434 49

Page 51: Mangle 2434

“Jang Anung, pan enjing téhngamimitian saum, tah mun tiasamah pang nalingakeun Anda nya?Énjing ibu badé ka pasar heula,palaur ah ari taya nu nalingakeuntéh.”

“Kumaha kitu, bu?”“Puasana sok bulang-betong.

Ngaku-ngaku puasa di imah,padahal di luar mah susu-lumputan, sok jajan.”

“Ohh... muhun atuh, keun wé...enjing urang réncangan...”

Demi Si Andana mah dikitu -keun téh ukur nyengir. Teu riuk-riuk aya éra, da puguh geus biasa.Katambah pan Anda mah babatu-ran kuring ti keur leutik. Jadi ku -ring mah meureun lain jelema anukudu dipikaéra ku manéhna.Awas siaahhh rasakeun isukan!!!

Subuhna...Méméh solat subuh, kuring

langsung nyampeur ka imahAnda. Maksud téh dék ngajakansolat di masjid bari sakalianpasan trén kilat.

“Lebet wé langsung... tuh dikamar kénéh, duka nuju naon...”indungna Anda ngagorowok didapur.

Uing langsung muru ka kamar -na Anda...

“Gustiiii!!!! Ari nyanéh nanaonéta? Burukeun ah... pan urangpasantrén kilat téa?”

“Euuuaaahhh... horéam ahtunduh..” bari ngusapanbeuteung na.

“Maenya tunduh ngusapan

beuteung?”“Hé hé hé....”“Lah boa-boa loba teuing

dahar nya?”“Hé hé hé....”

Najan kalékéd gé, teu bu-rung Anda daékkeun...

Réngsé pasantrén kilat, Andamah buru-buru lumpat kaimahna. Rada curiga. Kuring teuéléh-déét, sanggeus neundeunheula samping jeung kopéah,terus muru ka imah Anda.

Kasampak Anda keur ngagolérdina korsi...

“Lah daripada kikituan mahhayu wang ulin?”

“Embung ah... ulin di luar mahbisi haus, engké batal kéh...”

“Bener ogé...”Kuring ulin di imah Anda. Ti

isuk-isuk nepi ka beurang. Teuméré kasempetan ka Anda keurbatal puasa. Da basa manéhnaalesan dék mandi gé ku kuring di-tuturkeun, bisi nguyup cai. Atawabasa manéhna nitah ka kuringbalik gé teu digugu da bisi ayalolong krang keur manéhna nga-batalan.

Paroman anda jiga nu baéud,bari nyepengan beuteungna.Beungeut na katingali pias. Barisakapeung mah sok luh-lah...

Teu petot-petot kuring ngupa-han manéhna. Sangkan bisanahan puasana...

Pasosoré kuring balik heula,niat téh dék mandi bari sakalianmawa sarung jeung kopéah, dék

sakola agama.Pas balik deui, kasampak Anda

mah keur ngaguher dina korsi.Duh... watir pisan, jigana saré téhbakat ku teu kuat nahan lapar.Atuh kuring mah indit wé kamasjid.

Balik ti mesjid, kuring nyim-pang deui ka imah Anda, dék nga-jak ngabuburit ngadu kaléci barinungguan adan.

Alhamdulillah... karék gé ulinsakeudeung, ngong sora adan timasjid. Anda mah giak lumpat.Teu maliré kaléci manéhna. Atuhkuring nyokotan kalécina, teruswé balik ka imah.

Ba’da magrib di luar néanganAnda bari jajan.

“A... ari Anda ka mana?” ku -ring nanyakeun Anda kalanceukna.

Méméh ngajawab, lanceuknaAnda seuri heula.

“Aya naon kitu, A?” kerung.“Tingal wé di bumi.”Kuring langsung ka imah

Anda. Kasampak téh Anda keurgulinggasahan dina samak.Leungeun na nyepengan beuteunganu gendut. Adug-lajer oséh-osé -han.

Opieun pabalatak, ti mimitikolek, goréngan, roti, jeung anuséjénna. Tayohna Andakamerkaan, nepi ka teu bisa kamana-mana.

Duh karunya teuing anu keurdiajar puasa...

***

50 Manglé 2434

Mimiti PuasaKu Agus Suhada

Page 52: Mangle 2434

Poho DeuiDuka teuing taun sabaraha, poho

deui. Harita teh poe Minggu, kuringjeung Ki Lanceuk indit ka pasar. Kabene -ran harita teh usum hujan, atuh di pasarmani jareblog jeung mani heurin usikdeuih, malum poe pere sakola.

Sanajan jareblog, kuring resep di titahka pasar mah, komo ari geus nyedek-nyedek batur, rarasaan teh asa rek lalajomaen bal, teu inget balanaan marurgan,nu kukulutus-kukulutus mah, teu diang-gap ieu, api-api teu kadenge bae.

Jingjingan geus pinuh ku balanjaan,kuring jeung Ki Lanceuk leos wae balik.Ki lanceuk ngadagoan, sanggeus meu-nang delman sarta ditawar, clak wetarumpak.

Tapi... na atuh dasar nu limpeuran,rarasaan teh rek hanjat ka imah, da etasendal tarumpah nu dipake kuring,make jeung dibuka sagala. Inget sotehbarang delman maju, suku, suku asa tiis,barang ditempo kuring teu make sendal,gebeg teh reuwas! Ngan lieuk ka tukangsendal aya di tengah jalan, ramipingpinuh ku taneuh.

Teu talangke deui kuring ngeureun -keun delman, turun tibuburanjat rekmawa sendal. Eta mah sajajalan jeung KILanceuk seuseurian nyeungseurikeunpolah kuring, dibaturan ku kusir delman.

Poppi BajuriJl. Percetakan Negara II

Kel. Johar BaruJakarta Pusat

Salah Alamat?Pas keur jalan-jalan di mol jeung

baba turan, ujug-ujug jorowok téhsaurang lalaki ngagorowok béh peunta -seun.

Kuring jeung babaturan geuntakngalieuk. Tapi langsung kerung, dapuguh teu apal ka éta lalaki anu keurgugupay bari gogorowokan téh.

Babaturan méré isarat, kuring ngarti.Buru-buru ngaléos. Leumpang gé nga-haja rusuh ngarah ngajauhan di tempatéta.

Tapi si lalaki téh kalah terus ngudag,bari angger gogorowokan. Atuh saréréangalalieuk ka kuring jeung babaturantangka éra.

“Lah saha cenah éta lalaki téh? Teuapal teu sing…”

“Enya! Wawuh gé henteu…” kuringnembal.

“Yéy… tuh tingali, kalah gugupay kaabdi.”

“Enya nya?”“Kumaha atuh?”“Bururkeun wé leumpangna, bisi

kaburu kasusul.”Tungtungna kuring jeung babaturan

beuki ngagancangan leumpang. Sieunkaburu kasusul, da geuning lalaki téhkalah lumpat muru ka arah kuring.

“Maya!” éta lalaki téh tungtungnamah ngagorowok.

Kuring ngalieuk ka éta lalaki. Tapibabaturan mah teu ieuh ngarérét. Tong-goy wé leumpang. Atuh kuring ngudagmanéhna.

“Maya!!! Iiihh meni sombong!” étalalaki téh deui-deui ngagorowok.

“Naon sih maksudna?!” tungtungnamah babaturan téh malik ka éta lalakibari ngagorowok.

“Maya meni sombong ih…” éta lalakitéh teu kireum-kireum bari nyepenganpigeulang babaturan kuring.

Ujug-ujug gaplok wé babaturan téhngagaplok pipi éta lalaki. Atuh silalaki téh langsung mundur bari kerung.

“Naha?”“Da abdi mah sanés Maya, tapi

Irma….”Éta lalaki téh beuki kerung.

Wawa Sungkawa-Bojongsoang

Disangka PepetasanDongéng pangalaman Aki Ahdi, aki

mitoha kuring atawa akina pamajikankuring, nu kiwari umurna geus ampir 81taunan, ngan dikeresakeun masih kenehjagjag sarta panjang keneh emutan. Arikajadianana cenah kaalaman ku Akikira-kira taun 1974-an, basa aki kakarekboga budak dua. Nu panggedena lalaki.

Aki Ahdi teh nikahna keur ngorapisan, kira umur 20 taunan. Numatakdina umur 40 taun teh aki geus bogabudak gede, geus bujang, geus bisabaranggawe sarta geus bisa ngala duit.Budak aki teh geus boga pakasaban ma-neuh di kota, nyaeta dipausahan meubel.Ari mulang ka lembur geus matuh sa-taun dua kali, nyaeta dina waktunalebaran jeung agustusan. Mangsa haritamah minangka pangeling-ngeling poekemerdekaan teh di Pilembura osok di-reuah-reuah pisan, disarebutna ogepesta Agustusan.

Lamun balik ka lembur teh budakAki sok pada moro-moro, pangpangna

ku dulur-dulur katut baraya-baraya, ku -sabab osok mawa oleh-oleh ti kota anusasebut “araneh” pikeun urang lemburmangsa harita. Ongkoh deuih dinamangsa harita mah arang-langka kenehbudak ngora anu sok nyaba ka kota teh.

Sakali mangsa, budak aki mulang kalembur teh mawa oleh-oleh mangrupakaleng alis “sardens” tea. Budak akidatang ka lembur teh pasosore, kirawanci liwat asar. Puguh we aki katut ninimani dagdag degdeg narima eta oleh-oleh teh, dina ayana oge cenah moalkabeuli pajar teh! Loba mawana teh, ayalima sikina. Ngahaja jang paranti deu -ngeun sangu cenah!

“Ngan kudu dihaneutkeun heula Ma,da tiis, sarta ngarah teu karasa hanyirdeuih!” ceuk budak Aki mere nyaho.

Ngadenge kitu, Aki katut Nini tehkadon ngaharuleng paheneng-heneng.Kudu kumaha nya cara ngahaneutkeun -ana? Kitu nu aya dina pipikiran Aki katutNini teh. Tapi Si Aki boga “ide” jetu!Kasabab eta sardens teh wadahna tinakaleng, mangka gampang pisan carangahaneutkeunana, nyaeta urang bubuybae dina hawu cenah! Kabeneran pisanharita hawu keur dipake, da Si Nini keurnyeupankeun sangu dina seeng. Atuhseu neu di hawu teh mani burahay! Geuskitu mah tuluy we si sarden tehdibubuykeun, disaeuran ku lebu panasjeung ruhak nu burahay. Tapi teu kungsilila, kira saparapat jam kadenge sora nungabeledug handaruan sada pepetasan,jolna ti lebah dapur pisan. Barangditempo... hawu geus rugrug, seeng nuditagenkeun geus dengdek, seuneu tinajero hawu mancawura minuhan parako,sawareh seuneu narapel dina bilik dapur.Si aki pahibut, pakupis mareuman seu -neu nu narapel dina bili da sok sieunmatak kahuruan. Dina parako oge nara-pel “eusi sarden” babaratan pacampureujeung lebu! Rob tatangga-tatanggadaratang bari naranyakeun:

“Aya naon... aya naon???” cenahngara hareraneun.

“Laaah... nyaeta atuh, dasar kolot-kolot teu boga pikiran! Ngahaneutkeunsarden, ger dibubuy dina jero hawu!Kalah jadi we... ngabeledug!” ceuk ninikutug-gendeng.

“Ohhh... ari sugan teh nu nyeungeutpepetsan!” ceuk tatangga-tatangga baritulu bubar.

Tah kitu cenah dongengna urangkampung mayang-muyung nu tayakanyaho teh.***

Agus B. IrawanGarut Kidul

Manglé 2434 51

Page 53: Mangle 2434

Wasiat BapaKira-kira sajam kanasakaratul maut, pa Oyengmere wasiat ka barudakna.“Barudak, kadarieu sakeu -deung! Bapa arek mere wasiatka hidep.”“Mangga Pa, aya pikersaeunnaon?” walon barudakna.“Lamun bapa maot, bapanitip mobil BMW jeungGrand Escudo ka hidepduaan. Kade ulah dijual, nya?”“Insya Allah, Pa. Mobil tawisasih ti Bapa salamina ku abdibade dianggo, moal pisah-pisah bade di ical.” Jawabbarudak Pa Oyeng, dibare -ngan ku rasa sedih jeung bu -ngah.“Sukur atuh lamun kitu mah.Soalna eta mobil teh duananageus dijaminkeun ku bapa kaBPR. Cicilan hutangna masih28 bulan deui.”

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

Cihampelas-Kota Bandung

BéasAwéwé I: “Pangaos béasnérékél waé, nya?”Awéwé II: “Sumuhun...”Awéwé I: “Lieur abdi mah,

ngatur resiko dapursadidinten na téh.”Awéwé II: “Hadéna waé abdimah tara méséran béas...”Awéwé I: “Kagungan serang?”Awéwé II: “Ah, henteu.Nambutan... wé, dibayarsasasih sakali.”

Mimin Candra NingsihCikeruh RT 05/09

Jatinangor - Sumedang

DiusapanWiwin: “Cing, naon bédanaucing jeung jajaka?”Enci: “Ucing mah sato, jajakamah manusa.”Wiwin: “Lain éta nu benermah. Ucing mah mundiusapan téh sok tuluy saré,ari jajaka mah mun diusapantéh sok tuluy hudang.”Enci: “???”

Mimin Candra NingsihCikeruh RT 05/09

Jatinangor - Sumedang

Bahasa GaulIndung: “Nyai... Nyai ka dieu.Penting!”Budak: “Ciyus? Aya naon,Ma?”Indung: “Ari kamari geus ti

mana?Budak: “OTW Bandung.”Indung: “Halah teungalalarti.“ Budak: “Ah Ema mahkamse pay pisan.”Indung: “Naon hayang seu-pan?”Budak: “So what gitu lho,emang aku harus bilang dou-ble wow gitu!”Indung: ??!!!

Nina Rahayu NadéaBandung

CingcinA: “Badé angkat ka mana?”B: “Badé ka dinya, ka Pa Ali.”A: “Euh, Pa Ali nu sokngadamelan lelepen?”B: “Leres, nu bumina di caketjambatan cingcin.”

Mimin Candra NingsihCikeruh RT 05/09

Jatinangor - Sumedang

OTWMacaan status dina FB.Haradé. Jol si Fuad nulis.‘Otw Bandung. Jol si Bahrunnulis ‘Otw Bali’. Ah, teu éléhgéléng, langsung nulis status.‘Otw Wc’.

Nina Rahayu NadéaBandung

Ngimpi+ Gélo téh, uing pruting

ngimpi ningali nu tabrakan.- Wah…, tabrakan naon jeungnaon?+ Tukang ojeg jeung hali -kopter.- Wadul sia mah!+ Har…, atuh ngimpi-ngimpiuing, naha manéh nu sewot -na!

Ella KartikaSasak Gantung-lengkong

Hilap“Pa Ustad, badé tumaros.Upami nuju saum, hilap kalahtuang. Teu batal?” ceuk Udinnanya ka Ustad.“Lamun poho mah teu batal,Din. Iwal ti dihaja...” témbalUstad.“Alhamdulillah. Abdi hilap,nembé tos tuang dua piring,ditambihan és campur, rujak,cau, teras kana és krim. Tuh,tinggal corongna. Bilih badémah, Pa Ustad?” ceuk Udindeui, teu kireum-kireum.

Ella KartikaSasak Gantung-lengkong

Jalan-jalanImam : “Dék ka mana eung?”Ibro : “Jalan jalan aah. Yu dékmilu?”Imam : “Embung ah sieunbatal.”Ibro : “Lah! Puasa atuh nomerka tilu!!”Imam : “Kumaha sateh, pan

Page 54: Mangle 2434

puasa mah wajib?”Ibro : “Apal uing gé.”Imam : “Naha atuh puasa betdinomer-tilukeun!!”Ibro : “Enya atuh! Pan nu kahiji mah syahadat, kaduasholat, ka tilu karék Zakat!”Imam : “Éh heueuh nya…”

Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88

Kuma Karep wéDodo : “Ema, baé teu, abdibuka puasa jam 11?”Ema : “Lahh!! Karep, najanrék lebaran ayeuna gé teunanaon!!”Dodo : “Asik!! si ema bageureuy…”

Meta MeliaJl. Banteng No. 122

Kabeurangan sakolaGuru : "Iciiihhh! Kunaon atuhtelat?"Icih : "Teu sawios-wios da bu,hasil téspékna gé negatip da!"Guru : ??!!!

Meta MeliaJl. Banteng No. 122

Lebaran- “Lebaran ayeuna mah teukudu meuli baju ahh.”+ “Naha?”- “Ahh… nu taun kamari géalus kénéh, tinggalngahaneut keun deui wé...”

Afriliani - Jl. Bima No. 113

Hadiah PuasaWa Haji : "Mun manéh tamatpuasa, uwa rék méré hadiah,yeuh duit keur jalan-jalan kafrancish."Oon : "Aasyiiiik.. leres ieu téh,wa?"Wa Haji : "Bener jang, uwamah méré cuma-cuma, tahengké mun geus aya di francisrék naon, jang?"Oon : "Hayang nyium HajarAswad, wa. Tuluy diphoto."Wa Haji : “Euuuhhh!!”

Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88

Nu KamariGuru : "Saha anu emut kénéh,dugi ka mana pelajaran anu

kamari?"Ojo : "Atos lah bu, anu atosmah atos wé, tong diungkit-ungkit deui. Bahas mahpelaja ran anu ayeuna wé."Guru : “Ka hareup siiaaahhhSojo!!!”

Annisa MulandariJl. Cimanuk 234 Bandung

Modal+ “Ma, jual wéh mobil téh lah,paké modal usaha..”- : “Mobil ti mana ari maneh?”+ : “Heueuh teuing, mobilsaha wéh jual ku ema, jig..”- : “Dasar weureu….”

Annisa MulandariJl. Cimanuk 234 Bandung

KatawisWiwih : "Aa jomblo nya?"Odo : "Muhun, naha apal?"Wiwih : "Katawis wé dinararayna, rada nguluwut hehe-heh…"

Sundara-Ujung Berung 23

Rada LobaBudakna: “Bah, tadi Ujangngojay di balong. Ari pék téhcaina kainum. Batal henteu?”Bapana: “Nya henteu ari teudihaja mah.”Budakna: “Tapi Bah, nukainum ku Ujang téh radaloba.”Bapana: “Rada lobasakumaha?”Budakna: “Aya jigana kira-kira sagelaseun nu sok biasaku Abah dipaké ninyuhcikopi.”Bapana: “Ari Ujang? Éta mahlain kainum tapi dihaja di-inum. Batal atuh selud!

Anissa - Subang

LebarIis: “Da, kira-kirana lamunbobogohan keur puasa batalhenteu?”Ida: “Sigana mah henteu,ngan meureun matak hapakana puasana.”Iis: “Lamun kitu mah kuringrék eureun heula ah bobogo-han téh, kajeun bulan Sawalditeruskeun deui.”

Ida: “Naha?”Iis: “Pan lebar. Sieun matakhapa.”

Anissa - Subang

GéhgeranOni : "Kabogoh uing mahgehgeran, piraku diajak non-ton pilem drama india, kalahpipilueun méwék."Unang : "Komo kabogoh uing,nonton pilem Titanic baliknaooroloan utah majarkeun téhmabok laut cenah."

Sundara-Ujung Berung 23

PirakuPa RT: “Kunaon teu puasa?”Ujang: “Numawi nuju nyerihuntu.”Pa RT: “Lain ubaran atuh kadokter”Ujang: “Puguh ieu gé nembéwangsul dilandongan ti dok-ter héwan.”Pa RT: “Har, naha nyerihuntu bet jig-jig ka dokterhéwan?”Ujang: “Margi cenah anungalantarankeun nyerihuntuna ogé ulam.”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

Tong Sadéngé-DéngénaBaban: “Bener geuning, arikeur puasa mah teu meunangsok sadéngé-déngéna.”Yuyun: “Ari kitu kumaha?”Baban: “Basa uing balik ulin,di dapur kadéngé sora nususuruputan. Ditoong téh adiuing nu bungsu keur ngada-har emih bangun nimatnaker.”Yuyun: “Terus kumaha?”Baban: “Jadi kabita, kapaksawé ngasaan saeutik.”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

Keur PuasaAbah: "Dupi Cép Ogin resepka istri téh modél nukumaha?"Ogin: "Aaah..Ogin mah teumuluk-muluk Bah, nu geulis

manis nu hérang méncrang gécekap."Abah: "Dupi Jang Onyon?"Onyon: "Onyon gé sami Bahteu néko-néko, yang pentingcantik camperenik atanapi nudénok montok!"Ogin: "Dupi Abah?"Abah: "Abah mah ka nu geulisteu pati ka nu dénok teumoho."Onyon: "Naha Bah?"Abah: "Keur puasa, Sawalmah ulah dibéakeun euy!"

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

Parab NarakaAnak: "Mah, naha jalma-jalma kagak barang daharnya?"Mamah: "Pan Ramadan,Jang!"Anak: "Na aya maksadna?"Mamah: "Nya aya, nyatanasangkan jalma-jalma padatakwa."Anak: "Naha Aa mah katarabarang dahar dalam kamar -nya. Katanya jangan balaka kaMamah atawa ka Bapa bahwaAa makan-makan canmangsana. Awas, katanya,ngancam Jajang Mah."Mamah: "Tah Aa mah jalmasasab, kagak takwa, parabnaraka!"

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

Bété NyanghareupanLebaranIteung: "Ari bulan puasa téhIteung mah sok bété Ambu.Naon ubarna nya?"Ambu: "Naon bété téh?"Iteung: "Bété téh parusingmikiran lebaran."Ambu: "Oh, gampang atuhTeung. Ubarna ku bata atawabatu."Iteung: "DikumahakeunAmbu?"Ambu: "Bata atawa batu téhdikumpulkeun, geus loba, jualka nu butuheun. Boga bati tahkeur lebaran!"Iteung: "Cihuy!"

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

Manglé 2434 53

Page 55: Mangle 2434

54 Manglé 2434

Taun hareup Presiden SBYngecagkeun kalungguhan ku-lantaran mangsa pamaren -

tahanana maren. Ieu mangrupatradisi pamarentahan nu alus,nganggeuskeun pancen pamarenta-han luyu jeung jadwal. Nya suganwae kitu, salamet nepi ka mangsaPilpres 2014. Paling saeutikna etanyirikeun bangsa urang geus mimi -ti dewasa, henteu remen bongkarpasang pamarentahan di satenga -hing jalan.

Memang pamarentahan SBYhenteu mulus. Rea nu mataknguciwakeun ana. Upamana wae,karaharjaan rahayat tacan kahon-tal, kamiskinan angger ngaguna -sika. Lahan pagawean samporetkeneh, rahayat rea nu ngaligeuh.Pamarentahan ti puseur nepi kadaerah henteu nembongkeun tatakelola pamarentahan nu hade.Coba wae, conto leutik ngabagi-bagi BLSM, upamana, apan sakitumatak ngawirangkeunana. Padahalpamarentah geus boga luangpangala man ti taun-taunsamemehna. Kitu deui, lebahnetepkeun putusan ngurangansubsidi BBM, sakitu kalekedna.Antuk na anggaran nu aya henteubisa epektip kulantaran subsidi lainngurangan tapi kalahka nambahan.Katambah deuih, korupsi apanangger sakitu mahabuna.

Jadi PalajaranMangsa sapuluh taun pamaren -

tahan SBY bisa dijadikeun pala-jaran boh keur Presiden engke bohkeur bangsa urang sakumna.

Naon kasalahan atawa ka-hengker SBY?

Tetela SBY teu beda jeungpanga wasa jaman Orde Baru nu po-hara ngutamakeunana kakawasaan.Sieun pisan kaleungitan kalung-

guhan nepi ka bisa disebut para-noid. Coba wae, remen pisan apanSBY nyaritakeun aya pihak-pihaknu rek ngudeta. Tah, kasieun kitujigana nu ngalantarankeun SBY

embung dibarengan ku wakil presi -den nu pasipatanana beda jeung di-rina. Pamustunganana JK apanditinggalkeun, tuluy diganti kuBoediono. Tapi, tetela putusan bieuteh rea ngarugikeunana. KahengkerSBY saperti remen hamham lebahnetepkeun putusan, nu tadina bisadiimbangan ku JK, apan ku Boedi -ono mah teu bisa kagantian.

Tuluy lebah nyusun kabinetoge, nu sabenerna mah wewenanggembleng presiden, tetela SBY teuwani nyusun kabinet ahli, tapileuwih ngutamakeun kahayangpartey pulitik. Ieu oge kuat dugaankulantaran sieun digubragkeun tinakalungguhanana ku kaom pulitisidi Senayan. Nya antukna mahmenteri teh karereanana usulan tipartey pulitik. Atuh sanajankanyaho an sababaraha urang men -teri teu nembongkeun prestasi, tapiPresiden teu wani ngayakeun roba-han susunan kabinet (reshuffle).

Polah saperti kitu, nu kajurung

ku sieun leungit kalungguhan,nembongkeun putusan kontradik-tip. Coba geura, geus jelas pisanpartey pulitik di nagara urang tehrea kakurangna, pangpangna han-dap pisan kamampuh pangurusna.Tapi, kunaon atuh ku Presiden betkaom pulitisi ti partey pulitik tehdiayunkeun kahayangna? Malahdibere jabatan menteri nu poharanangtukeunana nasib rahayat?

Kontradiksi satuluyna, PresidenSBY nu sohor ati-ati pisan, asakjeujeuhan lebah netepkeun putu-san,. tetela geus ngalakukeun halnu lalawora pisan. Naon? Taun2009 pamarentah kungsi nurun -keun harga BBM ! Coba, pan polahdegdegler, nu sakuduna subsidiBBM dikurangan (harga BBM diun-dakkeun) tapi ieu harga BBMkalahka diturunkeun! Ceukekonom Faisal Basri, eta teh ku -lantaran SBY hayang meunang sim-pati rahayat pedah nyanghareupanPilpres 2009. “Itu dosa SBY” ceukFaisal.

Pamingpin Ka HareupNya tembong jelas, ambisi

kakawasaan, sieun nataku leungitjabatan, ngalantarankeun hijipaming pin tidadalagor, remensalah lengkah, ngalakukeun rupa-rupa kasalahan.

Jadi, harepan ka hareup,paming pin urang bisa metik pala-jaran tina kasalahan-kasalahanpamingpin samemehna. Pamingpinborangan, paranoid, sieun leungitjabatan, ngutamakeun pisankakawasaan meugeus ulah dipilihdeui. Uji kawanina lebah tarungjeung lawan pulitikna. Pamingpinnu amanah mah tangtu moal sieunleungit jabatan. Nemahing pati ogeihlas!

Karno Kartadibrata.

Harepan

Page 56: Mangle 2434

Manglé 2434 55

KA GIGIR:1. Kapal angkutan minyak4. Wadah cai nu kerung tina kuningan7. Boga bakat tawekal, daék hesé8. Kudu dipiboga ku supir9. Universitas Langlangbuana11. Ngaderes Al Quran ku jalma loba14. Bagian wawangunan nu pang -luhurna17. Salasahiji sifat Alloh19. Lembur anyar22. Panutup do’a24. Istilah dina batminton25. Béak daunna ku hileud26. Komando Distrik Militér27. Nu dialajar di pasantren

KA HANDAP:1. Sémah2. Kénca3. Keuyeup4. Hasil palawija5. Jangkrik gedé6. Ringkesan, patokan10. Lembaga Elektronik Nasional12. Anak lanceuk13. Akang (basa Minang)15. Nagara gedé16. Hadir17. Paur18. Bendungan

19. Anyaman awi meunang ngahuakeur piimaheun20. Carita nu ngandung unsur sajarah21. Tilelep22. Laun23. Indungna kolot urang

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1401. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosnamedal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1399:

1. Ibu SofiJl. Gagak Blk No 258Kalurahan SukaluyuBandung

2. Daffa Dzaky Basith DarpisKomp. Bumi Harapan Blok EEKabupaten Bandung

3. Ade KartiniJl. Sukarno HattaGg. Citalaksana 2 No. 43Tasikmalaya

1401K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Parantos Gumelar ka Alam Dunya Pun Anak:

Putri Kumala Galuh Tresna

Dinten Jumaah Ping 28 Juni2013 Bandung.

Nu Borojol Sing MorontodNu Jagjag Masing Gorejag

Si Inji Si Ayun AmbingSi Utun Si NelengnenggungDitamperan Geugeut Asih

Geura Susud Cisoca..

Junia Yuningsih.. Indung nu Humarekeng

Geura Guar Lacak... Asep Gp.. Bapa nu Ngadanan

Mangka Mulus JalugjugJangkung

Hurip Diaping Asih Nabi Asih Gusti

Robbi Habdi Minnas Solihin.Amien!

***

Page 57: Mangle 2434

“Si Bibina kukulutus, Lo.”“Kutan, pédah naon?”“Hayam téh hésé ditéwakna.”“Beu.”“Batan beunang mah kalah terus

ngagarapak.”“Lingas nyah, Mang?”“Enya. Jual mahal tah sakadang

hayam téh.”“Heuheuy, lain jual mahal,

Mang.”“Ari kitu?”“Béla diri, Mang. Nyingkahan

pibalaieun.”“Lah, teu kudu béla diri sagala da

kapan hayam mah kudu tumarimakana nasib dijadikeun deungeunsangu ku manusa, héhéhé….”

“Néangan hayam nu teu lingasatuh, Mang.”

“Nyaéta teu boga deui. Pirakukudu néwak hayam nu tatanggamah.”

“Hus!”“Heueuh. Ku lieur, ngagarapak

baé tah hayam téh.”

“Di pasar atuh néwakna, Mang.”“Leuwih hésé puguh di pasar

mah, Lo.”“Baruk?”“Lain saukur ngagarap, tapi nga-

pung, Lo.”“Jangjangan nyah hayam téh?”“Ti baheula gé hayam mah jang-

jangan. Nu teu jangjangan mahembé.”

“Maksud téh bisa ngapung?”“Bener, Lo. Ngapung, teu kahon-

tal ku saku masarakat leutik mah.”“Maksudna?”“Mahal pisan hargana daging

hayam téh, Lo. Bangun anu bogajangjang, ngajaul terus.”

“Oh.”“Lingasna harga daging hayam

téh kawas hayam Si Bibi, Lo.”“Hésé diaturna nyah, Mang?”“Enya.”“Kétang lain harga daging hayam

wungkul nu lingas téh.”“Baruk?”“Harga kabutuhan poko nu

séjénna ogé lalingas, hésé diaturna.Gagarapakan kawas hayam.”

“Lain gagarapakan atuh, Lo.”“Ari kitu.”“Ngapung, badis anu jangja -

ngan.”“Enya, Mang. Cenah mah alatan

bulan puasa jeung alatan naéknaBBM.”

“Alesan éta mah, Lo.”“Alesan kumaha, Mang?”“Alesan ti Bandar anu ngatur

harga, sangkan meunang kauntu -ngan anu mangtikel-tikel.”

“Bisa jadi kitu, Mang.”“Cenah mah, ceuk warta dina tivi,

Disperindag Kota Bandung ogé teuwalakaya.”

“Teu walakaya meruhkeunlingas na hahargaan?”

“Enya, Lo.”“Beu.”“Tah Si Bibina mah lamun hayam

lingas téh henteu sumerah kitu baé.”“Geuning?”“Si Bibina mah sok laju néangan

cara. Saakal-akal, sangkan sakadanghayam katéwak, bisa dperuhkeun.”

“Palébah dinya mah éléh pinterku Si Bibi nyah, Mang?”

“Lain éléh pinter, Lo.”“Ari kitu?”“Éléh tékad.”“Éléh tékad, kumaha?”“Si Bibina mah tékadna leuwih

kuat, Lo. Jadi wéh uteukna kréatip.”“Tékad meruhkeun hayam nu

lingas, Mang?’“Ja heuheuh.”***

Garapak Hayam

56 Manglé 2434