Mangle 2462

57

Transcript of Mangle 2462

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GI-

RANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy

Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR

Karno Kartadib rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa

Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu.

PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi,

PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS : Tuti Rohimah, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA -

CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, IKLAN

Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S., Ade.

Jawa Barat pangjugjugan. Lain ukur panyabaan,da puguh loba nu ahirna mah bumetah, bumén-bumén di Tatar Sunda. Nilik ka dinya, Jawa

Barat teu béda ti pakalangan balaréa.

Dina mangsa milih pamingpin ku sora rahayat,urang Jawa Barat gé padamarebutkeun. Saperti dinapilihan législatif, nu tarung di Jawa Barat, lain ukurpituin. Saha waé jeung ti mana waé, loba nu ludeungmakalangan di lembur Sunda.

Paracaleg sumebar di saban daérah pemilihan(dapil). Ku cara kitu, masing-masing rahayat nganmilih calon nu aya di dapilna. Hartina, piliheun téh nudipiwanoh ku nu rék milihna. Lian ti kitu, ogé gamba -ran ayana tujuan sangkan pamingpin téh wanoh kanakaayaan rahayat katut poténsi sabudeureunana.

Mitra, tumali saréng pilihan umum, Manglénomer ieu medar kaayaan Jawa Barat. Nanggappamen dak Dr. Arry Bainus, M.A., Dekan Fisip Unpad,Bandung.

Ceuk Dr. Arry, Jawa Barat bisa jadi gambarankamékaran demokrasi di lemah cai. Ngan, naonmangpaat na keur tatar Sunda mun jadi pakalanganbalaréa?

Dina waktuna nangtukeun pamingpin, rahayatbebas milih. Tangtu wé kudu milih nu panghadéna.Ngan, ceuk Dr. Arry, tinimbangan séjén, sapertirakétna calon pamingpin jeung rahayat nu rék milih -na, tetep kudu jadi salasahiji tinimbangan nu ulah di-lalaworakeun.

***

Jabar Pakalangan Balaréa

LLawangSakéténg

LAPORAN

Ngajaga Sunda

Ulah Leungit di Brebes

........................................................... 8

MIMBAR ATIKAN

Gedong Budaya “Sabilulungan”

Milihna Teu Sabilulungan

(Mairan sora-sora nu ngoméntaran)

Aan Merdéka Permana

......................................................... 31

IMPLIK-IMPLIK

Panjang Jimat di Kaprabon Cirebon

......................................................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Alit ..................................... 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Dr. Arry Bainus, MA.;

Tatar Jabar, Jadi Pakalangan Deungeun

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Unggal neuteup Mina, haté sok teuweléh ngarakacak. Ras kana sikep sora -ngan basa éta budak dilahirkeun. Muntéa mah bisa malikkeun waktu, hayang

mupus éta kajadian. Hayang ngaganti kurasa tumarima ka Nu Maha Kawasa,kana lahirna Mina, anak kuring nu

kadua.“Sapatu Mina di mana, Mah?” ceuk

Mina ka indungna. Kuring nu keur macakoran, ngarérét ka manéhna....

Haté nu Wening

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

3Manglé 2462

KKacaTilu

Akal Ékol Akil

Ngajenghok atuh saréréa gé.Éta duit milyar-milyar nepika disumputkeun dina jero

témbok imah. Mana kitu gé meureunnu dina rékening geus loba teuing.Brankas geus pinuh. Tayohna mahgeus hésé neundeunna duit téh. Na timana asalna éta duit nepi ka nyaeu-ran imah?

Nu kasebutna hakim jeung jaksageus aya kasebutna ti jaman baheula -na kénéh. Ceuk kolot anu hirupnajaman béh ditu, lamun aya tangkalpeuteuy teu buahan waé apan sokdising sieunan: Pék siah, lamun teubuahan waé ku kami dituar, rék di-paké keteb jaksa. Naha bet jaksa? Laintentara, lain guru?

Anu pasti, dipaké keteb jaksa téhlain hartina dimulyakeun. Da ceukkolot harita kénéh, sanggeus dising -sieunan kitu, teu lila ti harita tangkalpeuteuy téh sok buahan. Mana kitu géembungeun mun kudu dipaké ketebjaksa. Cacak tangkal peuteuy geussakitu embungeunana padeukeutjeung jaksa téh.

Ari jaksana kumaha? Wah tara ayakabéjakeunana. Malahan apandisarebut na ogé juragan jaksa. Atuhhakim mah komo deui. Populérna diurang apan disarebutna ogé wakilTuhan di muka Bumi.

Atuda bisa nangtukeun nasibjelema aranjeunna téh. Rék bulé rékhideung pikahareupeunana jelemaanu keur nyorang perkara atawa ung-gah balé watangan, apan ditangtu -keun ana téh ku jaksa jeung ku hakim.

Dina mangsana Orde Baru keur

meujeuhna dipikasieun ku saréréa,nasib anu teu disangka-sangka téhkungsi tumiba ka Sengkon jeungKarta. Wah, jelema naon boa atuh étanu duaan téh. Na atuh dijagragkeunka pangadilan kalawan tuduhan anulain heuheureuyan. Dituding maéhanDiece. Éta téh awéwé geulis naker,umurna keu meumeujeuhna, kanya-hoan-kanyahoan geus ngababatang.Aya anu ditembrakkeun téh saeutik,cenah manéhna téh cocooan hijitokoh. Taya nu wani nyebutkeunkalawan pasti, saha-sahana éta tokohtéh.

Ari Sengkon jeung Karta siga anuleungiteun pangacian. Sedeng jalannapangadilan jaman harita, henteu sigaayeuna. Sanajan kitu, sakitu dinasidangna aya bukti-buktina,masyarakat mah keukeuh teu per-caya. Asa naon urusanana pantarSeng kon jeung Karta maké kudumaéhan Diece. Tapi papadaning kitu,nu karasa ku masyarakat mah eu-weuh gunana. Da anu nangtukeunmah palu anu diketok dina sidangpangadilan. Nu duaan téh ditibananhukuman.

Sanggeus Orde Baru runtag,kakara bisa ditembrakkeun.Perkarana dibuka deui, Sengkonjeung Karta dibébaskeun. Saha atuhanu sabenerna jadi rajapatina téh?Henteu kacaturkeun deui. BébasnaSengkon jeung Karta katimbangleuwih penting.

Naha pabeulitna urusan perkaraanu dikokojoan ku jaksa jeung hakimtéh ngan kajadian dina mangsa Orde

Baru wungkul? Ulah boga sangkaangoréng kitu, lantaran dina mangsasabadana ogé kabiasaan kitu téh teudaék leungit.

Acan wé meureun, nya. Pan urangtéh kudu sabar. Ceuk Pa Béyé gé se-lalu ada pilihan, cenah.

Lamun bener aya kénéh kasem-petan pikeun milih, mending manamending mendi atuh? Mendingnyumputkeun duit dina jero témboktéa, atawa mending lempeng teukabita ku pangbibita?

Ih, da ieu mah lain dibibitaan, tapiménta jeung ngaharegakeun. Sakalinaaya anu nawaran saanu, apanjawabna téh, moal enya ngan sakitu?Lamun teu wani, geus wé perkaranasina éléh.

Apan éta téh wiwirang atuh keurituna mah. Éléh perkara! Moal enyakuring nepi ka kudu ngalaman éléhperkara? Tada teuing wirangna kusaréréa. Mangkaning keur kampa-nyeu baé geus béak ratusan juta. Tapinu pangbeuratna mah ieu yeuh kudunandangan wiwirang.

Sigana mah lantaran kitu galagat -na, nya tinggolosor, ti kénca ti katuhu,ti nu jauh ti nu deukeut. Keur mimiti -na mah kawadahan kénéh. Saanakbojo sina muka rekening, naonhéséna. Tapi sanggeus bru-bro timana-mendi, susah neundeunna geu -ning? Bes wé kana jero témbok.Bubuhan disarebutna wakil Tuhan dimuka Bumi téa meureun, mani asaenya pangkawasana. Dina sakalinakapanggih, kudu ékol naon deui atuhsangkan ngurangan wiwirangna? AM

Nasib Caleg Sunda di Lemburna

Tatar Sunda Jawa Barat,lumbungna para caleg anyar.Loba caleg ti luar Sunda, nuwarani nyalon di Dapil Jabar.Aya naon di tatar Sunda?Naha pamilihna bararodo?Catatan; Caleg urang Sundakeur DPRD Jawa Barat wae,ngan 30%. Kacipta lamun tina30% ngan satengahna nu jadi.(Facebook: MajalahSunda Mangle).

Di handap ieu diantawiskomentar ti pamiarsa kalayandimuat saujratna.

1. Saha deui nu rek ma-jukeun tatar sunda ai lain urangsunda na sorangan....omat tongasal milih lur... (Bung Kuzan).

2. Teu patos heran NyiMangle dalah kpla ngara ogesok ti sku jwa wae pan,kmrgiurng snda mh someah ka

semah jdi di invasi ku tamu tehngahenen we,kirang nguliaturng sunda mh bnten srengsuku jawa rapekan, tanginas,pnten urng sunda mh radakleked dket k kedul. (HarryPotret).

3. Kade mun rumasa jadiurang sunda,kudu milih urangsunda mun bisa mah pilih pres-idena oge nu asli urang sunda.(Adi Jaksa)

4. Meureun mana kt ogeaya irongen,istilah mah d jawabarat mah baseh.kahade ati2wae milihna,ulh k bobodo tenjokasamaran rupa. (Dedi Sep-tiadi)

5. Jabar miniatur indonesia.. Bhineka Tunggal Ika aya na ditatar sunda . nu nga geugeuhjawa barat kudu kunu bisa nga-mumule bangsa... (Didit DudiSulaksana)

6. Puguh matak heran..15thn di paumbaraan kamarimulg na caleg2 teh urg sunda

na kamana? & di Bdg pinuh kumerk 'LSM'. (Dudung Azeez).

7. Taroskn we juragan kpartey2 patandang pemilu.Naha taya kader partey nu alusd tatar sunda? Atw suganpartey teh t bisa ngader urangsunda? (Yayan Karyana)

8. Nya naha atuh diparili-han. Mun seug kompak mahulah milih nu tiluar.DaMasyarakatne daek wae di olopira oge ku lembaran biruhiji.beuh kacipta rek kumahakahareupna.. (Aink AndyMaulana).

9. Leres, Nyi Mangle!mangga we geura: ngaran-ngaran batak (lengkep jeungmarga maranehna) siga anuGEUS DIHAJA ditulis ngajare-blag. geus puguh ngaran jawamah. Enya, kitu uing ge moalmilih (anggota dewan) ANUMELEG-MELEG TINANGARANA GE urang batakjeung jawa? Bisa jadi, Nyi anu

rek dipilih mah anu ASLINGARANA SUNDA. Eta weheulaanan mah! (UusSuryana).

10. Urang sunda kudu kusunda nu ngarti kana kasun-dana boh budaya boh agama,tapi mun urang sunda geusuncla encle teu ngarti kabu-dayaan sunda kumaha.

Malah aya lain urang sundaleuwih ngarti kana budayajeung masyarakat sunda tapitetep wae jeronana mah lainsunda lin luhur .... ngarana di-jajah meureun percuma atuhwaraga sunda jero lain,kumaha budaya sunda rekdilestarikeun atawa dima-jukeun atuh ....

Contona kieu di Bekasi ayapagelaran wayang golek, da nunonton jarang promosinajarang, geura mun wayang kulit... saabrig abrig nu nejo tehaneh bin ajaib hihi.. (NanaMulyana).

Manglé 24624

KKoropak

KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDAGawé bareng

Majalah MANGLÉ, Mangle-Online jeung YAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT

Waktu Kursus/Pematéri:

1. Sajarah Tatar Sunda ( Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.)2. Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri)3. Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.)4. Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd)5. Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana)6. Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum)7. Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda)8. Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli)9. Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum)

Tempat jeung WaragadnaWaktu : 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014Tempat : Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung Waktos : 08.30 – 15.30Waragad : 300.000,- (tilu ratus rébu rupiah)Daftar ka : Tuti Rochimah (Mangle) Tip. (022) 7303438, Hp. 085721307232

Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah ParamitaSalila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang.

Tatar Sunda teu weléh ‘gugupay’.Adumanis alam jeung lobanasakola, jadi pangirut ti jauhna.

Ti mangsa ka mangsa sémah ogédaratang. Teu arang, ahirna bubuara,bumetah di Tatar Parahiyangan.Sémah-sémah téh, teu sungkan pa -giling-gisik jeung pribumi nu soméahhadé ka sémah. “Upami hoyong ningalkumaha tumuwuh na démokrasi dilemah cai urang, gambaranana aya diJawa Barat,” ceuk ieu Dekan FakultasIlmu Sosial dan Ilmu Politik (Fisip)Universitas Padjadja ran (Unpad) Ban-

dung muka wangkongan.Pasipatan Sunda nu gampang

‘narima’ deungeun, gedé pangaruhna.Batur gé, ludeungeun ilubiung dinarupa-rupa widang, kaasup ancrub dinapamaréntahan ngaliwatan partéy puli-tik. Matak teu anéh, mun nu asalna tiluar Jawa Barat gé, loba nu ludeungmakalangan di Jawa Barat, saperti jadicalon legislatif (caleg), boh keurtingkat Jawa Barat boh keur nasional.“Kaayaan saperti kitu, gambaranmekarna démokrasi, tapi di sisi séjénmah, balukar hengkerna urang Jawa

5Manglé 2462

TTamu

Dr. Arry Bainus, MA., Dekan Fisip Unpad

Dr. Arry Bainus, MA.;

Tatar JabarJadi Pakalangan

Deungeun

Démokrasi di ieu nagri, bisa

ngeunteung ka Jawa Barat.

Ngan, keur pribumina lain taya

mamala. Lantaran, bisa jadi,

tatar Sunda téh ukur jadi

pakalangan batur. Kitu di

antara jejer obrolan Manglé

jeung Dr. Arry Bainus, MA.,

Dekan Fisip, Universitas

Padjadjaran (UNPAD).

***

Barat dina widang pulitik,” ceuk ieupitu in Bandung nu lahir taun 1961 téh.

Bandung pangauban. Tempatnanganteur angen-angen jeung ka-hayang, kaasup keur nu baroga karepmakala ngan di tingkat nasional. Rupa-rupa lembaga atikan nyampak didayeuh Bandung. Atuh, tatar Sundatéh, lir kawah Candradimuka, nu nga-hasilkeun inohong-inohong sohor.

Jasa Jawa Barat dina ‘nyitak’ parainohong nu makalangan di tingkatnasio nal, kacida gedéna. Da, saha waépamingpin Indonesia, ngaliwatanheula Jawa Barat. Apan, rupa-rupalembaga atikan tingkat ‘pangluhurna’nyampak di Bandung, boh nu tumalijeung kamasarakatan, militér, téh-nologi, tatanén, jeung sajabana. Lulu-sanana, jadi andelan bangsa katutnagara. “Tapi anéh, nu icikibung ditingkat nasional, nu pituin Jawa Baratmah, arang pisan,” pokna.

Ceuk panitén konsep Power dinaStudi Hubungan Internasional, nu jadikahengkeran urang Jawa Barat, diantara na mun maju sok hayang cece-lengcengan sorangan, tara ujak-ajakatawa tara daék nuyun jeung nungtunnu séjénna. Padahal, sélér séjén mah,bisa jeung biasa ngajakan batur-baturna. “Kahengkeran séjénna, urangSunda mah,lir nu sungkan mun kudusilihsaingan ogé,” pokna.

Pasipatan kitu, dina nyanghareu -pan pihak séjén, nu béda adat jeungbudaya, ceuk Dr. Arry mah, teu bisadikeukeuhan. Malah asa sungkannyanghareupan saingan. Balukarnaurang Sunda kadituna mah sok éléh,najan di lemburna sorangan!

Nyanghareupan kaayaan kitu,tangtu kudu aya tarékah nu jineksangkan urang Jawa Barat leuwih tém-bong ilu-ilubiungna dina rupa-rupawidang. “Ulah ukur lalajo jeung tukangkeprok!” pokna tandes naker.

Carana? Masing-masing pihakkudu ngoréjat! Wani robah, ludeungnyanghareupan ‘persaingan’ jeungpihak mana waé. Saperti dina pilihanumum, kudu loba urang Jawa Barattandang ngawaki lan rahayat dilembur na. Saha nu kudu wani tan-dang? Nya, tangtuna ogé, urang Sundanu boga kamampuhan anu cukup keur

Manglé 24626

TTamu

Sareng kulawarga

Dr. Arry Bainus (kadua ti kénca), remen ngalanglang mancanagara

Dr. Arry Bainus, MA.; ngabibitkeun pulitisi kudu ti kampus kénéh

ngalaksanakeun pancén gawéna.“Kudu milih mah, tetep nu pang-hadéna!” pokna. Ngan, ceuk ieu Dok-tor Ilmu Pulitik Lulusan UniversitasIndonesia (UI) mah, mun kudu milihhiji di antara dua; caleg pituin JawaBarat atawa nu asalna ti daérah séjén,upama kamampuhanana ‘sabanding’,mah, nya mistina milih dulur soranganwé atuh!

Mun utang-itung jeung nga -banding-banding ajén-inajén paracaleg kiwari, ceuk ieu carogé YulliatySupartin mah, teu loba bédana. Da,bongan cenah, dina milihan keur caleggé lain dumasar kana kamampuhan,tapi ku lantaran alesan séjénna, misal -na, lantaran boga modal. Apan kiwarimah, teu jarang, najan teu nyahonanaon dina sual pulitik, tapi bet wanijadi caleg. Asal-muasalna deuih, lobanu teu ngaharib-harib kana urusanpulitik.

Kaayaan pihak-pihak nu icikibungdina dunya pulitik kawas kitu, ogé teuleu pas tina ketak pamaréntah dinangurus jeung ngatur partéy pulitik.Padahal, mistina mah, ngabibitkeunpulitisi téh, kudu ti kampus kénéh. Ariayeuna, apan mahasiswa teu meunangilubiung dina urusan pulitik. “Padahal,lolongkrang mahasiswa ancrub kanapulitik teu meu nang dilarang,” pokna.

Ceuk pikir ieu Master of Arts lulu-san Universitas Georg August Gottin-gen (Jerman) téh, pamaréntah ulahhariwang mun partéy pulitik ‘asup’ kakampus. Lantaran, moal kabéh maha-siswa resep kana dunya pulitik.Hartina, nu boga karep ancrub kanawidang pulitik, ulah ngarasa dihalang-halang hakna. “Malah, nu alus mah,pangkaderan téh ti keur mahasiswakénéh, kaasup keur kader-kader puli-tisi,” pokna tandes naker.

Nyaah ka LemburTeu sing kurung batok, Arry Bainus

mah. Komo deui, apan salah sahijikaahlianana ogé tumali jeung Hubu -ngan Internasional. Hartina, pipiki-rananna gé lampar ngaliwatanwates-wates budaya jeung nagara.Atuh, nyiar élmuna deuih, teu nganukur di lemah cai sorangan, da kungsingalanglang mancanagara, sapertikuli ah S-2 di Jerman.

Najan biasa ngalanglang buana,kanyaahna ka sarakan mah teu weléh

natrat. Inyana, remen tumanya ka di-rina mun ngabandungan pasualan-pasua lan nu ceuk pikirna bisadiréngsékeun tapi bet kawas nu teubisa diungkulan. Pasua lan lingkungan,kasehatan, kamiskinan, jeung sajaba -na di Jawa Barat, naha kawas nu teumanggih tungtung? Arry remenngusap dada, lantaran teu samistinacenah, lingkungan urang paburantak,atawa remen ditarajang caah. Kitudeui, teu merenah upama urang JawaBarat loba kénéh nu sungkan nyang-hareupan poé isuk lantaran tigerat kudahareun. Naha di mana atuh pancénpaguron-paguron luhur nu ngaleuya diJawa Barat téh? Loba pisan ahlinadina rupa-rupa widang nu sawadi namawa maslahat keur balaréa.Ngimeutan hal-hal nu kawas kitu, betmedal pananya; naha ieu téh lantaranurang Jawa Baratna pribadi teu lobanu icikibung di paguron luhur di lem-burna? Ceuk pikir Dr. Arry, loba caranu bisa dilaksanakeun ku paguronluhur keur masarakat lingkunganana.Contona, ngeprak balad, ngabring -keun mahasiswa sina kuliah kerjanyata (KKN), di lembur-lembur JawaBarat, luyu jeung kabutuh masarakat.

Mun urang Jawa Barat butuh rupa-rupa kaahlinan, moal ieuh nguyang kabatur! Elmu pamaréntahan nyampaksaperti di STPDN (Jatinangor), sualtéhnologi apan aya ITB (Bandung),kitu deui nu tumali jeung pasualantatanén atawa lingkungan, aya IPB(Bogor) minangka gudang ahli-ahlina.

Kumaha ari Universitas Padjadja -ran (Unpad). Ceuk ieu rama Der De -rian Auliyaa Bainus jeung Die InezkeaNabila Bainus téh, lain ukur semetlalambé! Da, ieu paguron luhur mah,boga kawijakan anu jinek, nu katelah“Nyaah ka Jawa Barat”. Kitu téh, diantarana geusan ngungkulan pasualankurangna urang Jawa Barat nu karu-liah di paguron luhur, saperti diUnpad. Matak, pihak universitaspadjadja ran mah ngahiap-hiap calonmahasiwa ti saban kabupaten atawakota nu aya di Jawa Barat. Ti ma sing-masing tempat diagéhan dua korsikeur duaaneun. Nu duaan téh, bisamilih masing-masing hiji programbidang studi (Prodi). Ku cara kitu,copélna, ti masing-masing daérah téh,aya mahasiswa duaan saban taun nukuliah di Unpad. Atuh, samistina, ceuk

Dr. Arry. Paguron luhur séjénna ogébisa kitu, méré lolongkrang ka calonmahasiswa ti saban daérah nu dumukdi kabupaten atawa kota di JawaBarat.

Katirisan Ibun SubuhBandung pamiangan, Bandung

tempat mulang. Ieu dayeuh Sang -kuriang téh, keur Arry mah, nyidemkatineung. Lembur pangancikan rasateu weléh ngotrétkeun lalakon nungendat teu kungsi pegat. Cenah, sokras inget ka jaman keur budak,wewengkon Jalan Pungkur Bandungharita (taun 1970-an), éstu tingtrim.Patalimarga gé lancar kénéh, lantaranarang kénéh kandaraan. Keu SD, keurSMP, kitu deui keur SMA, ka sakolatéh lolobana mah leumpang. Sapertikeur di SMA Negeri 3 Jalan Beli tung,ti lemburna téh leumpang mapay-mapay sisi jalan laju ka kalérkeun.Hawa harita, tiris naker, da loba kénéhtatangkalan. Remen leumpangkareumpeukan ibun subuh.

Sakola jurusan IPA. Tujuan mimitimah, hayang kuliah di ITB, da kabitaku emang-emangna nu sarakola didinya. Tapi, horéng Arry mah boga ka-mampuhan séjén. Harita di jurusanIPA, Arry téh resep maca, atuh panga -weruh umumna gé punjul ti murid-murid séjénna. Ahirna, sok remenkapeto miluan kana cerdas cermat,kalayan remen jadi juara.

Kalayan pangjurung kulawarga,guru-guru, jeung babaturanana,ahirna Arry milih Jurusan HubunganInternasional, Fisip Unpad. Kuliahnadi Dago, padataran luhur dayeuh Ban-dung. Awal taun 1980-an, daérahDago gé masih kénéh jaregjeg ku tutu -wuhan. Hawana tiris komo mun isuk-isuk mah. Apan, angkot ti wewengkonSimpang Dago nyuruwukna ka kalérteh, lian ti nanjak, ogé kudungahurung keun lampu, lantaranjajala neun kareumpeukan ku ibunisuk-isuk.

Ayeuna, Dr. Arry lian ti ngantor diJatinangor, ogé di Kampus Dago. Keurdiri na mah, lir kebo mulih pakanda -ngan. Ti padataran luhur Dayeuh Ban-dung, inya na mimiti miang, nya didinya deuih makalangan, bisangalanglang Nusantara jeung nga-mancanagara. ***

(Ensa/Rudi)

7Manglé 2462

Naon istimewana guru nga-haleuangkeun guguritan LautKidul? Apan guru mah kudu

loba kabisa kaasup mampuhngahaleung keun pupuh. Ngan, upamaéta Dangdanggula téh dihaleuangkeundina masamoan paraguru basa Jawa diSemarang, Jawa Tengah, tangtu wé,lain jadi kajadian anu langka.

Saha nu ngahaleungna? Taya lian tiCartono, guru SD Negeri Buara 05Petanggungan, Brebes, Jawa Timur.“Bongan atuda, basa Sunda dianggapeuwueh, dianggap teu penting diajar -keun di sakola,” pokna sumanget naker.

Harita, mémang acara madung -deng keun basa Indung. Nya, tangtu wénu disebut basa Indung ku urang JawaTengah mah basa Jawa. Atuh, sakola-sakola nu aya di Propinsi Jawa Tengahkakeunaan ku ‘kawajiban’ ngajarkeunbasa Jawa ka barudak di sabab tempatnu kawengku ku éta propinsi.

Harita, dina waktuna nepikeunpamang gih, angen-angen nu dikemuCartono téh bedah! Nu kedal mungga -ran haleuangna pupuh dangdanggulaLaut Kidul. Saterusna, ditungtungan kunétélakeun kaayan lingkungan sakolanu nyata-nyata urang Sunda nu marakébasa Indung basa Sunda.Pamustungan ana, saran éta guru téhjadi tinimbangan keur nu nangtukeunkawijakan di tingkat propinsi.

Miang tina KareueusUpama Tjartono boga kaludeung

nepikeun pamadegan, bisa jadi lantaranngarasa reueus ku budayana. Inyanamah, teu sing ngarasa leutik burih najanaya di tengah-tengah nu béda budayagé. “Karuhun urang téh pikareueuseun,”pokna basa ngobrol di sakolana.

Ngawangkong téh dijejeran ku KepalaSD Buara 05 oge ku Distam, guru SDNegeri Buara 04.

Cartono nu sohor ‘loba dongéngna’,capétang naker medar carita-carita nutumali jeung urang Sunda di étawewengkon téh. Rupa-rupa lembur, gu-nung, jeung patempatan séjénna, boga‘kaol’ masing-masing nu umumna tu-mali jeung kadigjayaan karuhun Sundadi éta tempat.

Ngaliwatan dongéng nu di-dongéngkeun deui, jadi panyambungkanyaah ka sarakan. Ku cara kitu baru-dak kiwari gé arapaleun kénéh kana

dongéng-dongéng karuhunna mah, lan-taran didongéngkeun ku kolot-kolotsaperti Cartono, Wisjan, Distam, jeungsajabana.

Keur para guru urang Sunda nu ayadi éta tempat, teu sing ngarasa di lem-bur batur. Da, puguh ti baheula mula gégeus jadi urang dinya. Malah,anggapan ana gé, lembur Sunda téh, lainukur semet Cipamali (walungan) nucaritana nyambung jeung lalakon CiungWanara, tapi leuwih jauh deui meunta -san walungan nepi ka suku GunungCireméy.

Urang Sunda di Brebes sumebar di

Manglé 24628

LLaporan

Dr. Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes, Jawa Tengah

Ngajaga SundaUlah Leungit di Brebes

Basa Sunda lir anak teré.

Taya nu ngurusna kalayan

daria. Diajarkeun di sakola

gé, éstu lantaran kanyaah

masarakat jeung para guru.

Kitu nu kalamana ku urang

Sunda nu dumuk

di Brebes, Jawa Tengah.

***

dalapan kacamatan, ti antara tujuhwelas kacamatan nu aya di eta kabu-paten. Ngan, cenah, memang di nudalapan kacamatan téh, sawaréh mahpacampur jeung urang Jawa.

Tapak lacak ngaran Sunda, lain ukursumebar di dalapan kacamatan téa, tapideuih di wewengkon séjén. Ngan,cenah, aya nu robah sora. Di antaranawaé, aya Ciduwet, Cimohong, Cigen-

tong, Ciasem, Luwung Gede, Cipelen,jeung Siwaluh. Ceuk urang dinya mah,Siwaluh teh bisa jadi asalna mah Ci-waluh. Robahna ci- jadi si- apan sapertisesebutan ka Ciung Wanara, dina bukuBabad Tanah Jawi mah, disebutna géSiyung Wanara.

Mekarna budaya, moal leupas tinapangaruh kakawasaan. Saperti robahnangaran tempat gé kitu. Remen kasaksénjeung kabandungan di saban tempat.Saperti Sundakalapa, apan diganti jadiJakarta atawa kungsi katelah Batawi. Diwewengkon Brebes gé, aya ngaran nurobah kawas kitu, saperti Banjar Harja,apa kadieunakeun mah disebutna téhBanjar Harjo. “Upama ukur ngunikeun

harja jadi harjo mah, teu masalah, nganulah nepi ka robah dina tulisan wéatuh,” ceuk Distam mairan.

Nyumput BuniBasa Mangle ngalanglang

sababaraha sakola nu cenah ngajarkeunbasa Sunda ka barudakna, kungsipapanggi han anu beda. Gampang apannitenan pangajaran nu diajarkeun di

sakola mah, kari ngilikan jadwalpangajaran ana we. Saperti nu kapang-gih di SD Buara, geuning nu jinektulisanana dina jadwal pangajran mahbasa Jawa. “Upami dina jadwal mahmemang kitu, diserat basa Jawa tapi nudiajarkeun mah basa Sunda,” ceuk Dis-tam.

Nu kawas kitu, oge kasaksen disakola-sakola sejenna. Najan basa In-dung nu diajarkeunana basa Sunda,dina ajdwal mah basa Jawa. Kitu tehngindung kana katangtuan nu ilahar diJawa Tengah. Para guru kelas gesamiuk, ngajarkeun basa Sunda, da me-mang barudak nu sarakola di dinya mahbarudak Sunda atuh guru-gurunalolobana mah asalna ti Sunda.

Pangajaran nu ‘nyamuni’ kitu, laintaya pasualan. Apan, kungsi dina hijiwaktu mah, rék nuliskeun peunteunbasa Sunda dina rapot barudak gé teugampang, da puguh taya jadwalna téa.Ngan, saterusna para guru badami turnepikeun pasulan ka ‘nu ngageugeuh’kawijakan atikan di Brebes. Antukna,peunteun basa Sunda meunang ditulis

dina rapotPlong pasualan kitu, aya deui

masalah. Da, bahan ajar mah teu sadia.Nya kapaksa wé, pihak guru nu kudusatékah polah nyumponan bubutuhpangajaran basa Sunda téh. “Ngumahawé ka urang Bandung,” ceuk Distam.Maksudna, naon waé pangajaran basaSunda nu dipaké di Jawa Barat, bisa di-paké di Brebes.

Pangajaran basa Sunda, mémang liranak téré di Jawa Tengah mah. Da, mé-mang kitu kawijakana pamarentahdaerah mah, teu ngabeda-beda basadaerah, nu puguh aturanana téhpangaja ran basa Jawa wé. Atuh,kahéngkéran séjén, ceuk Distam mah,

9Manglé 2462

Distam (Kepala Sakola) sareng rengrengan guru SDN Buara 04 Ketanggungan – Brebes

Diajar basa Sunda dipeuntaseun budaya

Manglé 246210

LLaporan

pangajaran basa Sunda ngan ukur di SDwungkul. Ari di SMP mah, barudak gédilajar basa Jawa, najan éta sakola téhayana di lingkungan masarakat numaraké basa Sunda.

Kawijakan pamarentah Jawa Te -ngah, mémang teu saperti di JawaBarat. Di tatar Sunda mah, apan nu di-anggap basa Indung (basa daerah), lainukur basa Sunda, tapi deui MalayuBatawi jeung basa Cirebon. Ku cara kitu,pangajaran basa daerah téh bogapayung hukum anu jinek.

Kalungguhan pangajaran basaSunda saperti kitu, jadi kaprihatinansakumna guru. Untungna, najan tacanaya payung hukum anu jinek, kadieuna keun mah, ngajarkeun basaSunda téh teu kudu hangham jeunghariwang. Pasalna, apan geus ‘kamap -hum’ ku pihak pajabat Dinas Pen-didikan Kabupaten Brebes. Malah, PaKadis gé kacida ngahucukeunana kanapangajaran basa daerah Sunda téh.“Basa daerah nu diajarkeun kedah luyusareng lingkungan masarakatna,” ceukDr. Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pen-didikan Kabupaten Brebes, Jawa Te -ngah.

Ngajurung LudeungUmumna ngaran patempatan, di

wewengkon masarakat Sunda nu aya diBrebes mah, boga salsilahna. Ngaran-ngaran saperti Buara, Gunung Kum-bang, Panenjoan, Gunung Hawuk,jeung sajabana, boga lalakon masing-

masing.Saperti ceuk ujaring carita, di salah

sahiji tempat nu kabawa ku Desa Buara,nu teu jauh ti Gunung Hawuk, baheulaaya lembur nu kiwari mah tilem. Ngan,ku nu kawénéhan mah, sok kadéngésora beretekna kuda atawa nang-neng-nongna sora gamelan. Saperti nudicarita keun ku Cartono, éta kuda jeunggamelan teh jolna ti lembur nu tilemtéa.

Tah, kumaha lalakonna? Baheula,waktu rek kariaan, urang Buara téhngin jeum gamelan ti urang Cibingbin,hiji lembur nu anggang ti Buara. Nu di-injeuman, waléh daék mikeun, atuhbring wé urang Buara téh nginjeumgamelan sapuratina. Enya, wé dipaképesta raraméan nyukakeun masarakatsabuderuen éta tempat.

Réngsé pesta, gamelan téh teu ujug-ujug dipulangkeun. Diantep wé nepi kawaktuna nu bogana nyokot lantaranbutu heun. Ngan, tampala daék kamulang keun, dalah dicokot gé teudibikeun. Sakali dua kali nyokot, sabarkénéh. Tapi, antukna mah béakkasabaran. Gamelan dipaksa dicokot,tetep teu dibikeun kénéh.

Ku lantaran pakeukeuh-keukeuh,kuekeuh nu nyokot keukeueh nu teumikeun, antukna mah jadi bendeng,kalayan urang Cibingbin ngajorag urangBuara. Méméh kajadian perang, parasesepuh nu luhung élmuna metakeunrupa-rupa tarékah. Méméh musuh nepika lembur, nu dijorag téh matatkeun

élmu, nyiptakeun sireum nu katingalinaku musuh nu rek ngajorag mah sagedé-gedé embé, sayaga ngajar ngadagoan nudatang. Nilik kana kaayaan kitu, nusakti pihak nu ngajorag, teu éléh géléng,éta sirum téh diawuran lebu. Les wéhsireum kajajadén téh leungit! Nu tem-bong kari urutna, pasir ngajega nukatempona ti kajuhan mah hawuk lirnu dibalur ku lebu.

Keur nyingkahan panarajangsaterusna, pihak nu dijoragnyumputkeun lemburna. Atuh, nu nga-jorag gé teu bisa manggihan éta lembur.“Ngan, sakapeung, sok aya nukawénéhan ngadéngé sora gamelanatawa ngadéngé tok-takna sora talapokkuda,” ceuk salah saurang sesepuhurang Buara mungakas dongéngna.

Carita kawas kitu terus natrat, jadikaagulan urang lembur. Dongéng akidicaritakeun deui ka incuna. Kitujeung kitu saterusna, jadi turus nyaahka lembur na, lantaran aya generasi nunyambungkeunana. Kétang, karepneruskeun katineung kana budaya,lain ukur nu tumali jeung dongéng, dapara guru senior saperti Distam, mi-harep guru-guru nu leuwih ngora,saperti Trisma wan, SPd-Sd., nuumurna 23 taun, boga karep ngajar -keun pangajaran basa Sunda kamurid-muridna. “Kaleresan, waktoskuliah kenging panga jaran basaSunda,” ceuk ieu guru SDN Buara 04lulusan Perguruan Tinggi di Cirebontéh. *** (Ensa/ AS)

Ruwiyanto Kepala Sakola SDN Buara 05 sareng CaryonoPangajaran basa Sunda make ‘lahan’ basa Jawa

11Manglé 2462

NGEUNAAN kapercayaan,urang wanoh kana paribasa“mun percaya ulah cang-

caya, mun dipercaya ulah codéka”.Paribasa téh (ngagambarkeun) ajén-inajén nu mibanda éta paribasa.Upama paribasa téh ajén-inajén,beu nang disebut yén éta ajén-inajéntéh kaasup nu adiluhung. Dinawangkongan urang di dieu, sawatarawaktu ka tukang, kungsiditétélakeun yén dina enggoning“maca” ajén-inajén bihari téh urangnu hirup dina jaman kiwari perlumilampah “réseléksi” nyaéta léngkahmilih-milih jeung milah-milah.Urang percaya éta léngkah téh geuskungsi dijalankeun ku nu ti heula.

Tapi taya bayana urang nungajama nan kiwari ngalaksanakeundeui éta léngkah. Léngkah réseléksitéh lengkah pangmunggaranana tinaléngkah-léngkah lianna salakuManusa Sunda Kiwari enggoning“macaan” deui ajén-inajén Sunda Bi-hari. Léngkah lianna sabada“réseléksi” téh nyaéta “rédefinisi”,“réoriéntasi” jeung “réimplemén-tasi”. Léngkah-léngkah liannasabada réseléksi mah bawirasa teukudu diguar deui leuwih jero, daapan dina wangkongan ti heula gégeus kungsi disabit-sabit.

Ari ajén-inajén nu adiluhung téhnyaéta ajén-inajén nu bisa dilarap-keun dina saban mangsa. Sipatnaabadi, tur tapsirna angger. Dinaléngkah “réseléksi” téa, apan kawa-jiban urang téh nyaéta milah-milahmana ajén-inajén nu adiluhung,mana nu “ngan saukur” luhungjeung mana anu “teu luhung-luhung

acan”. Nu adilhung, nyaéta ajén-ina -jén nu bisa dilarapkeun sabanmangsa. Ari nu luhung nyaéta ajén-inajén nu ngan merenah dinasamangsa, nyaéta dina mangsa étaajén-inajén téa medal. Demi nu “teuluhung-luhung acan” mah nyaétaajén-inajén nu teu merenah dilara-pkeun (deui) dina mangsa iraha baé,dina kaayaan kumaha baé. Malahbisa jadi ajén-inajén nu “ luhung-luhung acan” téh “ajém-inajén” anuupama dipaké téh kalah matak jadigangguan kana léngkah pikahareu -peun urang sarerea.

Pangna ajén-inajén dipatalikeunjeung pajamanan téh, ku lantaranapan ari ajén-inajén téh ngan“saukur” mangrupa téks. Dinamangsa éta ajén-inajén téa dikaluar -keun, ku nu nyieunna téh tangtudiluyukeun jeung kapentingan hirupdina éta jaman. Pajamanan mang -rupa kontéks. Sugrining téks dinajaman harita kudu diluyukeun jeungkontéksna. anu salawasna dipata-likeun jeung kontéks. Robah kontéks(pajamanan) téa, tangtu téksna gébaris robah. Ari kontéks (pajama -nan) téa apan dinamis, rubah-robahsaban mangsa. Hiji téks (ajén-ina-jén) téa anu merenah dina hiji kon-téks tangtu can karuhan merenahupama dilarapkeun dina kontéksanu béda. Téks nu teu weléh larapdina saban mangsa (kontéks) mere-nah upama disebut téks nuadiluhung.

Téks nu unina “mun percaya ulahcangcaya, mun dipercaya ulahcodéka” mangrupa téks nu beunangdisebut téks nu adiluhung. Da

mungguh kitu apan kuduna, najanjaman robah ogé. Lamun urangméré kapercayaan ka hiji jalmaatawa hiji lembaga, urang teu meu-nang cangcaya. Nya kitu deuisaupama urang nampa kapercayaanboh ti jalma boh ti lembaga, urangkudu ngajalankeun éta kapercayaantéa binarung niat nu bersih, turléngkah nu teu méngpar tina pa-pagon nu méré kapercayaan téa.

Tapi tétéla teu gampang geuningpikeun ngalaksanakeun ajén-inajénnu adiluhung warisan kuruhunurang téh. Dina mangsa teureugeujeug na dunya pulitik di lemahcai samodél kiwari, apan enggoningurang neundeun kapercayaan kapartéy pulitik téh éstu teu gembleng.Di sagigireun kapercayaan téh teuweléh aya ka cangcaya. Urang cang-caya alatan réa pisan kabuktian yénpartéy pulitik nu dipercaya ku urangtéh aya nu milampah codéka.Korupsi mahabu di mana di mendi.Nu milampahna rea jalma-jalma nuku urang dipercaya. Ku sabab kituurang teu weléh percaya bari cang-caya. Pangna kitu, ku sababmaranéhna nu dipercaya téh kalahaya nu milampah codéka.***

Ngalereskeun: “Di KiwariMaca Bihari” minggu kamari,kedahna nomer 30. Nu ayeunanomer 31. Dina seratan nu minggukamari aya kalimah anu kedahdileres keun. Kalimah “Para anggotaDPRD.....” kedahna “aya anggotaDPRD.....”, teras kecap “teu” dinafrasa “teu sieun” sakedahna teu aya.Hapunten anu kasuhun. (YH)

DI KIWARI MACA BIHARI (31)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA

Kapercayaan

Manglé 246212

NNyusur Galur

Buku karya RH. Lily Sumantri di antarana “Sukaduka Menjabat Bupati Kabupaten Bandungsalila 11 taun 2 bulan ( 1969-1980 )”, Ayeuna

urang teraskeun pangalamanna sapanjang berjuangjeung sabadana, urang ungkabkeun kumahapanga laman RH. Lily Sumantri sapanjang jenengbupati Bandung. Naon anu jadi angen-angen salilaieu saur Pa Lily, henteu kungsi kaalaman. Manusamémang ngan wasa ngarencanakeun, anging Allohanu nangtoskeun. Hal ieu kabuktian, kuring henteuwasa nolak pangdongsok jeung pameredih DPRDanu ngadeudeul jeung méré kapercayaan gemblengpikeun ngeusian kakosongan jabatan Bupati Kabu-paten Bandung.

Panglima Siliwangi atasan langsung sim kuring,maparin restu nyaluyuan kuring, kitu deui Guper-nur Jawa Barat “user” sami-sami maparin restukasaluyuanana. Ku kituna maké alesan naon baé ogéhenteu bisa nolak kana pameredih masarakat. Kujalan kitu kuring kapaksa kudu narima ditugaskaryakeun jadi Bupati, ahirna kacida kapaksanakuring rido ngalésotkeun cita-cita jeung karir militeranu salila ieu jadi angen-angen.

Neuleuman Pancén GawéMinggu-minggu mimiti mah digunakeun keur

ngalakukeun konsolidasi ngeunaan organisasijeung tata kerja di lingkungan Sekrtariat Daérahsakaligus niténan rohangan-rohangan gawé parapejabat teras jeung para karyawan staf sakaliguswawanohan jeung maranéhna anu leuwih deukeut.

Dina kasempetan éta ogé neuleuman job dese -ription jeung nitenan dokumen-domumen, data-data anu aya bari dialog jeung tanya jawab sartanarima sagala rupaning permasalahan. Tina étakabéh kuring kacida prihatina ningal kaayaan of-fice management jeung rohangan-rohangan gawéanu heureut jeung dukdek. Loba wawangunan anumangrupa tambahan, katingalna asal némpél.

Kaayaan buruan kabupaten anu henteu diaspal,meledug kekebulna hiber ka sakuliah tempat lamunpareng aya kendaraan lalar liwat.

Tindakan anu leuwih tiheula dilakukeun téh,ngaspal buruan komplék pendopo jeung masangrambu-rambu tempat parkir, ngusir para pada-gang nu mangkal di komplék pendopo, sabab hen-teu sulit keur néangan / meuli katedaan / inumanmah, nu kitu mah loba beulieun di sabudeureunalun-alun Bandung luareun pendopo. Yén duma -sar kana katangtuan Undang-undang No. 14 taun1950 perenahna puseur dayeuh Kabupaten Ban-dung ditetepkeun deui di puseur kota Bandungkiwari, tapi kaayaanana harita geus barubah, legadaérah binaanana beuki ngaheureutan jeung ngankari pendopo anu legana ngan tinggal 3,3 héktar.Puseur perkantoran Pamaréntah Daérah jeungDewan Perwakilan Daérah Adminstratip KabupaténBandung ngalingkungan Kotamadya Bandung, 5Km, ti wates beulah wétan, kidul jeung kulon, sarta7 Km. ti bagian kalér. Mangsa harita kaayaan kotaBandung geus kacida ramé jeung heurin usik, sabablian ti jadi puseur dayeuh propinsi Jawa Barat,Bandung jadi puseur dayeuh Kotamadya Bandungogé. Malah harita kantor Karésidénan Prianganogé di kota Bandung. Ti mangsa harita geus karasapereluna Pamaréntah Kabupaten Bandungngéléhan pindah néangan lokasi séjén di tempatanyar di luar kota Bandung sarta kudu aya di te -ngah-tengah rayatna sorangan.

Manusa bisa ngarencana jeung ngukir angen-angen sawates kamampuhna, tapi kersaning Allohbisa jauh leuwih hadé, luar sangkaan urang . DawuhAlloh jadi, pasti bakal ngajadi, buktina jadi bupatimangrupa gurat hirup kuring berkah kurnia AllohSWT. Teu pernah kacipta saméméhna sakulawargabakal nganjrek di pendopo kabupaten Bandung,salila jadi Bupati di Kabupaten Bandung, ieu téhtempat anu diagungkeun waktu dianggo pang -linggihan Kangjeng Dalem Bandung nu kacidadipuja ku rahayatna.

Lir Nété Jambatan Sirotol Mustaqin. Pohara beuratna bobot tugas jeung tanggung

jawab hiji Bupati Kepala Daérah. Bisa karasa tina

RH. Lily SumantriJeneng Bupati Kurnia Alloh

Lir neta Jambatan Sirotol Mustaqin

13Manglé 2462

fungsi jeung perananna jadi Pangawasa tunggal didaérahna dumasar kana katangtuan Undang-nudang no. 5 taun 1974 ngeunaan poko-pokoPamarén tahan di daérah nu kudu tanggung jawabjadi alat Dekonsentrasi Alat pusat di daérah. AlatDesentralisasi / Alat Otonomi Daerah Alat Medebe-wind / Alat Swatantra / Pagawéan Pusat dipigawé kudaérah, jeung jadi Vrij Nestuur/ Kawenanganbebas kepala Daérah nu dibéré jujuluk Adminis-tratur Pangwangunan jeung AdministraturKamasara katan.

Cindekna hiji bupati kudu sarwa bisa ( AllesKen), kulantaran kitu kudu boga basik hijistaatkundige.

Padahal lamun kudu dibandingkeun jeung pri -badi sim kuring, saurang prajurit tempur biasa,hiji Raider barét héjo nu saterusna kudu bisa jadihiji Ambtenaar.

Di dieu unina jeung merelukeun seni mingpinnu kudu pinter jeung loba diajar jeung pinterngatik diri tepi ka mampuh jadi saurang ZelfimdeLeader. Muji sukur, éta kabéh ahirna bisa diungku-lan, berkah pangalaman jadi perwira teritorialjeung pangalaman 3 kali jadi komandan Kodim.

Kabupatén Bandung mangsa harita pangeusibumina kurang leuwih 1.877.292 kiwa, wilayahkabupatén Bandung perenahna di paluhuran ,legana 317.346 hektar ( 3.173,46 kilometer pasagi).

A. Lahan Pertanian Rayat;

1. Sawah……………………… ………….. 74.473 hektar2. Tegalan jeung buruan…………….98.400 hektar

Perkebunan Rayat…...................6.046,2 hektar3. Perkebunan Besar….......………..36. 406 hektar4. Kehutanan…………….....…………85.196,7 hektar5. Perikanan darat………..........……..3.423 hektar6. Peternakan………….........………….1.875,3 hektar7. Keur nu sejen-sejenna….......….11.528,8 hektarJumlah sagemblengna................ 317.346 hektar

Wilyah Pamaréntahan.

Wilayah pamaréntahana diwangun ku;1. Kota Administrasi Cimahi2. 9 Kawadanan3. 300 Desa.

Dina ngajalankeun pancén pamaréntahan didaérah jadi Bupati Kepala Daérah Tk. II Bandungnitik tolak kana dua lelemah hukum nyaéta tepika pertengahan taun 1974.

Dumasar kana Undang-undang No. 18 taun

1965 nu saterusna robah dumasar kana Undang-undang no. 5 taun 1974 ngeunaan poko-pokoPamarén tahan di daérah.

Parobahan lelemah hukum panyalanggaraanpamarén tahan di daérah jelas mawa pangaruh nukacida gedena kana kagiatan organisasi jeungmana jemen pamaréntahan, pangpangna ku tambahjelasna fungsi Otonomi daérah nu nyata jeungtanggung jawab. Kitu deui Kepala Daérah nu jadipangawasa tunggal di daérah dina ngajalankeuntugas kawajiban jeung wewenangna.

Kabupaten Bandung mangsa harita lega aréalna317, 346 atawa 40 tikel leuwih lega tina aréal kota -madya bandung. Daérah anu cukup vital jeungpotensial ogé dianggap strategis, boga perkebunanbesar milik nagara jeung sewasta nu jadi sumberdevisa nagara. Boga heavy industri dina hartilegana. Pangpangna dina widang tekstil jeung pro-duk tekstil nu mangrupa daérah pusat pendidikanmiliter saperti Cimahi, ogé tempat pendidikan tinggiABRI nu strategis ayana SESKOAD ABRI, SESKO-GAB, SESKOAL, SESMINPOLRI jeung sajabana.Masalah-masalah kaunggulan potensi DaérahKabupaten Bandung nu jadi kareueus daérahsalawasna jadi bahan kacapangan, obroan jeungdialog, ogé dina acara riungan séjénna, pangpangnajeung para pejabat teras katut para karyawan stafkabupatén. Hal ieu mémang kudu dibina jeungdiperhatikeun pikeun ngabina jeung miara rasacinta ka daérah atawa ka NKRI. Tindakan kuringka jero, mangsa harita, ngalakukeun konsolidasiorganisasi, ngawanohkeun tugas jeung kawajibanmasing-masing para pejabat teras pembantu ping-pinan. Harita tétéla kacatet aya 50 urang sarjana/sarjana muda ti rupa-rupa disiplin élmu. Dinangabina hubungan komunikasi timbal balik / duaarah jung maranéhna para sarjana nu aya, saukurngarasa sugema ku ayana pandangan anu kritis.Sanajan dina waktu mimiti ngalakukeun komuni -kasi jeung dialog, tampolana karasa ngélékéték, di-antarana nadana brutal saperti anu hayang ngujijeung nyoba saperti anu hayang melonco. Lamunkurang waspada jeung kurang duitna mah bisa-bisa ngajaja sina gugup atawa kaisinan. Tapiberkah pangalaman di kesatuan militer baheulajeung hasil pendidikan leadership dina pendidikanmiliter, geus mekelan kuring pikeun mampuhngungkulan permasalahan saperti kitu, malah geusngarasa untung bisa boga troefkaart ti maranéhna,upama perelu bisa ngungkulan saban-saban aya trikpermasalahan, kauntungan séjénna kuring bisaleuwih deukeut jeung bisa wanohkeun nu leuwihdalit. **HRS/Hanca**

Manglé 246214

MMunara Cahaya

Musibah alam geus min-deng kajadian dina jamanpara nabi saméméh

Kangjeng Nabi Muhammad Saw.Nu kacaturkeun dina Quran,nyaéta musibah banjir jaman NabiNuh, musibah angin topan jamanNabi Hud, musibah gelap salésérjaman Nabi Soléh, musibah hawapanas jaman Nabi Syu’aib, jeungmusibah hama jaman Nabi Musa.

Éta musibah mangrupa azab.Siksaan Alloh SWT ka umat numarantangul kana ajakan da’wahpara nabi. Ari bagal poko da’wahpara nabi téh, nyaéta tauhid.Sumembah wungkul ka Alloh NuMaha Hiji. Pasrah sumerahwungkul ka Anjeunna (dainunnahlillahi wahdah). Henteu ayasesembahan séjén iwal ti Anjeun -na, Alloh Azzawajalla.

Umat Nabi Nuh, Hud, Soleh,Syu’aib jeung Musa, marantangul.Nolak da’wah para nabi, lantaranmaranéhna diguguluan ku paragegedug (élit) nu kumawasa ditempatna masing-masing, nu teteppengkuh kana titinggal karuhun.Nyembah rupa-rupa patékong.Atawa mawa karep sorangan. Em-bung narima aturan Alloh SWT nuditepikeun ku para nabiNa, pikeuntunduk ta’at kana aturan Alloh,sakaligus nyingkahan anu dilarangku Anjeunna.

Saenyana, réa umat ti kalangan”leutik” (rahayat leutik) léah kanapangajak para nabi. Malah jadi

panganut satia. Tapi teu saeutik nupapaharé atawa nangtang, duméhnénjo para kekentongna waningalawan kana ajakan nabi.

Upamana baé para gugulu umatNabi Nuh, nu teu euleum-euleumnyarita:

“Jeung maranéhna ngobrol;Naha kuring saréréa kudu percayaka anjeun, kapan nu geus nutur -keun anjeun mah jalma-jalmahina?” (Q.s.asy Syu’aro : 111).

Tegesna, nu teu kasebut hinamah, para élit nu bogakakawasaan, harta jeung kakuatan,teu perlu biluk nuturkeun.

Kitu deui umat Nabi Hud nukatelah kaum Ad. Sabagian timaranéhna wangkelang kanaajaran tauhid Nabi Hud nunétélakeun :

“Saenyana kaula sumerah dirika Alloh, Pangéran kaula jeungPangéran maranéh.” (Q.s.Hud:56).

Tapi kaum Ad ingkar, lantarannarurut kana paréntah pangawasa-pangawasana nu sawenang-we-nang tur nolak kana haq (Q.s.Hud: 59).

Kaum Samud saruana. NabiSoléh nu diutus ka dinya, mépéli -ngan sangkan takwa ka Alloh SWT.Ulah hayoh waé daék dikutiplak kujalma-jalma (pamingpin) nukaleuleuwihi (sawenang-wenang)dina nyieun karuksakan, teu miki-ran kamaslahatan (Q.s.Asy Syu’aro: 141-152).

Ari umat Nabi Syu’éb, kaumMadyan, gawéna téh malsu timba -ngan. Lamun meuli, timbangandileutikan,ambéh barang nu asup,ngaréaan. Ari ngajual, timbangandigedéan, ambéh barang nu kaluar,nyaeutikan.

Dedengkot (élit) kaum Madyan,nyarita ka wargana : “Lamun seugaranjeun nurut ka Syu’éb, saéstunaaranjeun téh bener-bener jalma nurugi.” (Q.s. Al A’rof : 90).

Kisah dawah Nabi Syu’eb kakaum Madyan, kaunggel dinaQuran, S.Al A’rof : 85-93,S. Hud :84-95, jeung S.Al Ankabut : 36-37.

Geus puguh sikep Fir’aun Mesirka Nabi Musa. Fir’aun nu nolakda’wah Nabi Musa, susumbar:

Musibah Jaman Para NabiKu H. Usép Romli HM

15Manglé 2462

“Naha maranéh iman kamanéhna (Musa), méméh kaulangidinanan ? Saenyana ieu hiji tipudaya sangkan maranéh ngaluar -keun pangeusina ti jero kota.Engké kami (Fir’aun) bakal neuk-teuk leungeun jeung suku aran-jeun.....”(Q.al A’rof : 123-124).

Fir’aun amarah kabina-bina,lantaran Nabi Musa terang-tera -ngan ngaku utusan Alloh. Umajakka sakumna pangeusi nagaranyembah Alloh SWT (Q.s.al A’rof :103-105). Para élit nu deuheus kaFir’aun, nganggap Nabi Musatukang sihir (Q.s.Al A’rof : 109).Lantaran maranéhna geus percayayén sembaheun mah ukur Fir’aunnu geus ngaku dirina “Robbukumula’la”. Sembaheun nu pangmulyana(Q.s .an Nazi’at : 79).

Fir’aun sabalad-balad tetepwangkelang, sanajan kungsiditibanan azab halodo entak-enta -kan lila pisan. Nepi ka kurangdaha reun jeung bungbuahan.Kaayaan kitu diteumbleuhkeun kaNabi Musa (Q.s.al A’rof : 130-131).

Kungsi deuih ditibanan azabtopan, simeut, kutu, bangkong,jeung getih (Q.s. Al A’rof : 133).

Tapi Fir’aun sabalad-balad tetepadigung kumalungkung. Malahmaranéhna nyarita handap lanyap:

“Hé Musa ! Mugi anjeunngadu’a ka Pangéran sesembahananjeun, pikeun abdi sadaya kusaniskanten nu dijangjikeun kuMantenna ka anjeun. Satemenna,lamun anjeun ngabébaskeun ieusiksaan ka abdi sadaya, tanwandéabdi sadaya leres-leres badé imanka anjeun....” (Q.s.Al A’rof : 134).

Tapi barang hama jeung pa-nyakit geus leungit berkahkakawasaan Alloh SWT,maranéhna (Firaun saparakaanca)jalir jangji. Tetep dina kaingkaran(Q.s.al-A’rof: 135).

Dina pedaran di luhur,katangén, sikep bedang wangke-lang ieu téh, diguguluan ku paraélit masarakat.Para kekentongbangsa jeung nagara nu bogawewenang maréntah atawangajurung keun rayatna kana jalannu lempeng bener. Kaum élitbangsa jeung nagara samodél kitutéh, disebut “mutrofin” nu jadisumber mamala ancurna bangsajeung nagara:

“Upama seja numpurludeskeunhiji nagri, nya Kami nimbalan kapara gegedén nu hirupnakaleuleuwihi di éta nagri, sangkantaat ka Alloh, tapi maranéhna

kalah milampah pagawéan fasik(ruksak, masiat), ku kituna nyageus pantes maranéhna ditibanansiksa, nya Kami numpurludeskeunéta nagri.” (Q.s.Al-Isro: 16).

Cohagna, kaum “mutrofin” téhnyangking rupa-rupa kaleuwihdibandingkeun masarakatumum.Maranéhna bogakakawasaan, harta, jeung kakua -tan, pikeun ngajak jeung mawabangsa katut nagarana kanangalaksanakeun paréntah Allohsakaligus nyingkahan anudilarang Na.

Tapi ieu mah sabalikna.Ngarasa boga paleuleuwih,kaum”mutrofin” anggur ngagalak-sak korupsi. Padahal maranéhnaboga kakawasaan keur ngabasmikorupsi jeung nyerek koruptor.Maranéhna boga wewenangnanjeur keun hukum, ieu malahngadon ngaruksak hukum. Bogakakuatan keur ngabasmi kamasia -tan, ieu malah jadi kokojo kamasia -tan.

Nu matak, Alloh SWT ngancur -keun hiji bangsa jeung nagara, ala-tan kalakuan kaum “mutrofin” didinya, papalingpang sarta mung-pang kana paréntah Alloh SWT.

Alhamdulillah, sabada lumung-sur Nabi Muhammad Saw, musi-bah azab anu tumiba ka umat-umatpara nabi saméméhna, dicabut kuAlloh SWT,luyu kana pancéndiutus na Kangjeng Nabi Saw numangrupa “rohmatan lil alamin”.Rohmat pikeun sakabéh alam(Q.s.Al Anbiya : 107).

Musibah nu aya ayeuna,kaasup na cocoba. Jalma nu katiba -nan musibah, tur sadar kana ujianAlloh kalawan ngucapkeun ”istirja”(innalillahi wa inna ilaihi roji’un),baris meunang pangampura jeungrohmat Alloh, sarta meunang pitu -duh ti Anjeunna (Q.s.Al Baqoroh :155-157). Saratna, asal dinakaayaan pasrah sumerah ka AllohSWT sarta taat kana sunnah Rosul -Na, Muhammad Saw.

***

Manglé 246216

TTanyaJawab

Patarosan:Assalamu’alaikum Wr. Wb.Tumaros perkawis kecap nu sering di-

ucapkeun, utamana di lingkungan pasan -trén. Nu mana, sok biasa aya kekecapan‘ngalap barokah’ ti Mama Ajengan atawakiyai. Nu jadi patarosan, naon hartosbarokah anu saleresna, boh sacara basaatana istilah? Naon bédana jeung berkat?

Hatur nuhun.

YadiCilamaya Karawang

Waleran:Hatur nuhun kana perhatosanana.

Perkawis istilah “barokah” sareng “berkat”saupami ditingal tina basa, henteu ayabéntenna, tegesna sami, asal usulna tinabasa Arab, nyaéta al-Barokah. Dina kamus“al-Munawwir” disebatkeun, hartibarokah, nyaéta nikmat. Lajengkecap“Barokah” ieu dibakukeun kana basaIndonesia atanapi basa Sunda sarengJawa, janten dua istilah kalayan nga-gaduhan hartos anu mirip tapi teu sami,nyaéta “berkah” sareng “berkat”. “Berkah”dina Kamus Besar Bahasa Indonesia(KBBI) hartosna dina basa Sunda kiranglangkung: karunia atanapi anugrah Gustinu bisa ngadatangkeun kahadéan pikeunkahirupan manusa. Sedengkeun “berkat”dina KBBI ngagaduhan dua makna anubéda, kecap berkat nu kahiji ngagaduhanopat makna, nyaéta: (1) anugrah Gusti anumawa kahadéan pikeun kahirupanmanusa; (2) doa réstu sareng pangaruhanu hadé ti jalma anu dipihormat (guru);(3) oleh-oleh anu mangrupa kadaharannalika mulang ti acara-acara tradisi; (4)perkara atawa kalakuan nu bisa nga-datangngkeun mangpaat jeung kahadéan.Sedengkeun kecap berkat nu kadua ngan-dung hartos “akibat/karana” atanapi“cukang lantaran”, sapertos kecap: “berkatbantuan manéhna, kuring bisa datangleuwih awal”. Conto lianna: “Berkat doaibu rama, abdi lulus ujian”.

Namung hartos atanapi makna berkah(barokah) sayaktosna langkung laluasatibatan berkat. Berkah tiasa ogé ngandung

hartos kabagjaan atanapi kanikmatan.Contona, nalika aya tatangga, atawakawawuhan nikahkeun putrana, sababnikah mangrupa kabagjaan, mangkaRosulu llah SAW ngajarkeun ka umatnakudu ngadoakeun dua calaon pangantensupaya meunang kaberkahan dina nga-jalankeun rumah tanggana. Unggelna étadoa: “Barokalluhu laka wabaroka ‘alaika….”. Nyakitu deui kanikmatan saupamatatangga atawa kawawuhan réngséngawangun imah anyar, urang sokngadoakeun ka manéhna: “Barokallohu-laka…”. Atawa meunang kabagjaan jeungkanikmatan dina bentuk lianna, mangkaNabi ngajarkeun supaya ngadoa: “Allo-humma Bariklana Fima Rozaqtana”, YaAlloh. Mugi Gamparan ngaberkahan kananaon-naon anu tos dipaparinkeun ka abdisadaya. Makna berkah anu dimaksud dinadoa-doa di luhur nyaéta kabagjaan,kanima tan, rahmat atanapi welas asih,restu sareng pitulung. Cindekna, maknaisti lah barokah anu dimaksud nyaétasabalik na tina musibah.

Makna barokah ieu, cocog sarengmakna anu dimaksud dina Alqur’an,sapertos pidawuh Alloh Swt.: “Jeunglamun seug pangeusi hiji nagri arimanjeung taqwa, mangka pasti Kamimukakeun kaberkahan ti langit jeung tibumi pikeun maranéhna, tapi maranéhnanganggap bohong kana ayat-ayat Kami. Kusabab kitu, Kami nibakeun siksaankamaranéh na, lantaran pagaweanmaranéhna sorangan.” (QS. al-A’raf: 96).Dina ayat sanesna Alloh ngadawuh: “ParaMalaikat nyarita: ‘Naha maranéh ngarasahéran kana katangtuan (qadar) Alloh?Padahal éta téh mangrupa Rohmat Allohjeung berkah-Na anu dilungsurkeun kamaranéh ya Ahulul baét! Saéstuna Allohanu ngagaduhan Puji sareng anu MahaWelas’”. (QS. Huud: 73). Nya kitu deuidina Hadits disebatkeun sapertosa nu se -ring diaos ku urang nalika badé tuang,nyaéta: “Allohumma barik lana fimarozaq tana …”. Hartosna: “Nun Gusti mugiGamparan maparina kaberkahan ka abdisadaya kana naon-naon anu tos dipaparin -keun ka abdi sadaya”.

Dina kamus basa Arab liana disebat -

keun, makna barokah nyaéta tumetepnahiji perkara, atawa nambah jeung nyebar -na hiji perkara. Sedengkeun maknabarokah sacara istilah dina pustaka Islam,nyaéta kahadéan anu langgeng turmayeng, atawa nambahna kahadéan.Atawa sacara singkat makna barokahnyaéta nambah kahadéan bari langgengtur mayeng. Makna ieu digunakeun dinadoa atawa solawat ka Kangjeng NabiMuhammad SAW sareng ka Nabi IbrahimAS nalika tasyahud (tahiyat) ahir dinabaca an solat.

Aya istilah sanésna anu aya patalinasareng berkah, nyaéta “tabaruk” atawa“tabarukan”, hartosna ngalap berkah. Isti-lah ieu biasa digunakeun ku sabagian umatIslam ka jalma-jalma anu dianggap suciatawa tos deukeut sareng Alloh, atawa tijalma-jalma anu tos dianggap ahli ibadahatawa suksés sapertos para ulama sarengpara waliyulloh. Numutkeun sabagianulama, cara saperti kitu dimeunangkeun,sabab di zaman Nabi SAW aya contona.Saperti aya di antara para sahabat nu rebu-tan kana rambut Nabi nalika Nabi diparas,atawa rebutan kana cai tilas Nabi wudu.Malihan dina hiji hikayat disebatkeunwiréh Ummu Sulaim tabarukan tina caikésang Nabi nalika mantena kulem siangbari késangan kumargi udara panas. Teraskésangna dicandak ku Ummu Sulaim.Atawana deui ngalap berkah tina ngalak-sanakeun naon-naon nu tos dilaksanakeunku Nabi Muhammad SAW. sabab tujuan“tabarukan” atawa ngalap berkah ogenyaéta supaya bisa nurutan ahlakna jeungsifat-sifatna anu luhur tur mulya. Atawameunang ngalap berkah tina hal-hal anudianggap tur diyakini suci, sapertos“tabarukan” tina maos Alquran. Hartosnangalap berkah tina aosan Alquran, atanapingalap berkah tina nyium Hajar Aswad.

Margi kitu, sakumaha patarosan diluhur, tiasa disimpulkeun, barokah makna -na sakumaha disebat di luhur, nyaéta nam-bah kahadéan, nu tetep tur mayeng.Sedengkeun makna berkat sajabi ti samisareng makna berkah ogé dinangalarapkeun ana leuwih kana harti “akibat”atawa “sabab/karana” nu nuduhkeun kanaharti “cukang lantaran”. Wallohu ‘alam. ***

Barokah jeung Berkat

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Manglé 246218

CCarita Pondok

Unggal neu-teupMina,haté sokteu weléhngaraka-

cak. Ras kana sikep sorang -an basa éta budak dila

hirkeun. Mun téa mah bisamalikkeun waktu, hayangmupus éta kajadian.Hayang ngaganti ku rasatumarima ka Nu MahaKawasa, kana lahirna Mina,anak kuring nu kadua.

“Sapatu Mina di mana,

Mah?” ceuk Mina ka in-dungna. Kuring nu keurmaca koran, ngarérét kamanéhna.

“Tos disimpen di terastadi téh,” témbal Tita, pa-majikan kuring, bari cakah-cikih mérésan urut sarapan

bieu. Mina ngagedig néang

sapatu ka tepas. Tétéla sap-atu téh aya, kumplit jeungkaos kakina. Rap dipaké kusorangan. Ngan saguliweksapatu geus nerap pageuhtur rapih. Teu lila manéhna

Haté nu WeningCarpon M.T. Risono

19Manglé 2462

amitan ka kuring jeung in-dungna. Kuring nyérang -keun manéhna nu leum pang nepi ka panto pager.

Haté bet ngarasa reueusayeuna mah, boga Minatéh. Budak nu tara lobapaménta. Sakapeung soknyérédét, asa dosa ka nujadi anak. Tujuh taun katukang, basa Mina gubragka alam dunya, kuring teubisa narima. Poho, yénmanéhna téh anak awéwémeunang hayang.

Tita rada hésé waktungalahirkeun Mina dirumah sakit. Air ketubangeus kaluar ti heula, tapitaya mules sabiasa nu rekngajuru. Ku tarékah paradokter di rumah sakit, in-dung katut orokna salamet.Sawatara poé mah kuringcan bisa ningali orok, da pa-majikan katingali pika -watireun. Kitu deui basabalik ka imah, kuringngagondéng Tita. Orok mahdiais ku mitoha awéwé.

Isukna kuring hayangningali orok nu keur di-mandian ku Ma Enok,paraji maneuh kulawarga,purah ngarorok nu entasngalahirkeun. Kuringngagebeg sataker kebek.Geuningan orok téh, tan-padaksa. Leungeun kén-cana ngan semet pigeulang.Gusti, naha naon dosaabdi? Haté norowéco kusagala kahandeueul. Kuringngagejlig ti imah, teu nolihka saha waé nu nanya.

“Rek ka mana, Gun?Lain hayang ningali oroktéa?” cék mitoha.

Kuring tonggoy nga -gedig. Tita teu lémék teunyarék. Manéhna kawasgeus ngarti. Tita asup kakamar dituturkeun ku in-dungna. Kuring diuk di sisibalong tukangeun imah adi.Haté teu puguh rarasaan.Asa hésé narima kanya -taan, boga anak tanpa -

daksa. Basa umur budak meu-

jeuhna cooeun, kuring canbisa maliré kénéh. Haté canléah, can bisa narima kanatakdir. Sanajan kitu, henteuari diomongkeun mah rasakahandeueul téh. Tita terusrasa. Haté pamajikan, teubisa disumputkeun.

“Sing sabar, Kang.Budak mah teu bogaeundosa. Budak tanpa daksalain kahayang urang. Étatos papastén ti Nu Kagu -ngan. Urang mah pilakadarnampi jeung sumerah diri,”sora Tita leuleuy.

Kuring teu némbalan.Omongan Tita karasabener. Tapi haté angger asangaganjel kénéh. Kuringcan bisa narima. Euweuhturunan nu kitu di garis ku-lawarga kuring. Duka teu-ing di garis pamajikan mah.Tapi teu hadé diomong -keun ka Tita mah. Kaciptanyerieun haténa lamunkakeuheul téh diteum-bleuhkeun ka manéhna.

Sanggeus bisa ulin jeungbabaturanana, budak téhsonagar. Manéhna bisacampur gaul jeungsasamana. Taya rasa éraatawa minder. Sagalahayang bisa sorangan, taraloba menta tulung, satung-tung bisa ku sorangan mah.Basa aya batur sakantornganjang ka imah,manéhna katingali radamurengked. Aya rasa éra kanu anyar panggih. Ongkohku babaturan kuring nu étamah, teu pati daék ngaraéhbudak.

Mina siga nu ngartikana kaéra kuring.Manéhna tara daék nyam-peurkeun ka babaturankuring nu nganjang kaimah. Sumawonna sasala-man cara Aldy, lanceuknanu normal. Mina mah an-teng wé ulin di buruanjeung pada baturna. Di-

calukan ge ku indungna,teu daékeun nyampeur -keun. Kuring gé tara ieuhmilu riweuh ngageroan.

“Wios atuh teu kersaeunmah. Biasalah, murang -kalih mah ari nuju antengamengan sok alimeun di-ganggu,” ceuk Darman,sobat kuring keur jamansakola, nu harita nganjangka imah. Ngomongna kitutéh bari ret ka kuring.

“Muhun, da Mina mahkitu ari aya tamu téh, isin -an,” ceuk kuring.

Nepi ka sémah balik,Mina teu nepungan deui.Katempona téh enyaanMina keur resep ulin jeungpada baturna, lain minderatawa éra ku semah, pédahtanpadaksa.

Atuh lanceukna ogé nyakitu, narima kana kaayaannu jadi adi. Malah katénjoleuwih getén batan kuring.Kawasna manéhna gé geusngarasa kuring nu radabéda ka Mina. Nu atakmanéhna jadi leuwih mer-hatikeun. Lamun indungnapareng keur euweuh, Aldysok ngasuh atawa ngajakulin. Malah mun Mina keurogo mah sok diakod sagala.

Sakali mangsa mah Titakeur teu genah awak.Manéhna ngagolér teu bisabaranggawé cara sasari.Sagala kabutuh Mina sa -kola, teu bisa dicumponanku manéhna. Rék ménta tu-lung ka kuring, bangun teuwanieun. Inggis ku bisirémpan ku sugan. Kuringngarti. Nu matak méméhindit ka kantor, kuring nunyiapkeun sagala rupana.

“Punten nya, Kang, abditeu tiasa ngawulaan,” ceukTita basa kuring pamitanrék indit digawé.

“Nya, wios. Istirahat -keun wé méh énggal pulihdeui. Kadé tong barang-damel. Keun wé engké mi-warang Ceu Epon bébérés

mah.Ari Mina geus angkat

kitu?” cék kuring.“Parantos tadi, sareng

Aldy,” walon Tita. Paro-manna semu robah.

“Sarapan heula?” “Atos, sareng Aldy. Tadi

dihuapan ku si Aa da sieunkasiangan. Ayeuna piket,cenah,” Tita ngajawab nga-jelaskeun.

Kuring teu tatanya deui.Haté wé galécok sorangan.Geuning sakitu nyaahna nujadi lanceuk ka adina. In-dungna gering teu diriri-weuh. Estu béla Si Cikaltéh. Hampura Bapa, Mina,ceuk haté. Aldy, syukurUjang nyaah ka adi.

“Ku naon, Kang, kalahngahuleng. Tos sarapan teuacan?” Tita nanya, asangagebah kuring tinapanglamunan.

“Atos, sangu goreng,”témbal kuring .

“Tadi Mina hoyongsangu goréng buatan si Aa.Keur ogo ayeuna mah,sagala ku Aa wé,” Titanyarita semu daria.

Kuring répéh we. Sangugoréng téh, geuning jieun -an Aldy keur Mina.Manéhna nyieun sangugoréng dilobaan, keur ku -ring ongkoh.

“Kumaha, raos teu?Abdi mah can nyobian,”tanya Tita.

“Raos pisan,” témbalkuring alon. Beungeut teuwani neuteup Tita, sieunkatohyan piceurikeunnyelek dina tikoro.

Haté reueus ku Aldy.Éra ku sikep sorangan.Naha ari budak pantarAldy, bisa narima kanatakdir. Manéhna teukeuheul sumawonna ngéwaka adina. Kanyaahna sidikpisan lain pupulasan, ti hijilanceuk ka adina. Naha arikuring bet éléh ku budak?Naha maké beurat narima

Manglé 246220

kanyataan? Apan GustiAlloh tos ngabulkeun sagalapaneja, hayang boga anakawéwé. Naha ayeuna su-laya, henteu syukuran kananikmat? Haté noroweco, pi-rang-pirang patakonan.Batur mah hayang bogabudak téh aya nu ngabélaanngadopsi, ngukut anakdulur, atawa uubar ka dituka dieu. Malah maké ték -nologi canggih, bayi tabungsagala.

Kuring hésé pisan réknarima Mina sagem-blengna. Aya rasa kuciwa,aya rasa handeueul nungancik dina jero haté.Naha Mina teu siga Aldyatawa baturna nu normal?Sakapeung kuring sokngarasula.

Kungsi hiji waktu Titahayang dianteur balanjabulanan. Barudak sinamilu, itung-itung bari ulinwé, cenah.

“Tapi Mina kudu diais,”ceuk kuring ka Tita. “Makéjékét.”

“Ih, apan Mina mah tostiasa mapah atuh, Kang,maenya diaais,” témbalTita.

“Nya mun hoyong di-anteur mah kitu wésaratna,” sora kuring radateugeug.

Tita surti. Manehnanurut sakumaha paméntakuring. Aldy ngan ukurneuteup. Sanajan teungomong sakecap ogé, dinahatena mah siga aya nudisidem. Manéhna nutur -keun indungna ngadang -danan Mina.

Balik balanja, Aldy teuloba omong. Kuring ngalu-arkeun balanjaan dinabagasi mobil.

Aldy mawaan kérésékbalanjaan ka tengah imah.Paromanna teu bérag ka -was sasari mun geus iindi-tan, sagala dicaritakeun kaadina.

Bari murak opieun nutadi dibeuli di supermarket,Aldy diuk gigireun kuringlalajo acara tv karesep kur-ing, keur meujeuhna ramé.

“Pa, Aldy aya picarios -eun.”

“Nya pok wé,” tembalkuring bari panon mah teulesot tina acara televisi.

“Ari Bapa nyaah teu kaAldy?” Tanya Aldy alon.

“Puguh wé nyaah mah.Saha nu teu nyaah kanujadi anak.”

“Ari ka Mina, sami teunyaahna?” Aldy semu nuasa-asa pok.

Kuring ngagebegsajongjongan mah. Acara

televisi nu keur dilalajoanngadak-ngadak asa euweuhsoraan. Nu kadéngé jentretéh pananya Aldy bieu.Tuluy kuring ngarérét kaAldy nu keur melong di gi-gireun.

“Naha bet naros kitu?”“Muhun dibandungan

ku Aldy, sikep Bapa kaMina asa benten we. Aldysanés budak olol lého deui,tos 15 taun. Aldy tiasangabéntenkeun,” sora Aldybéntés kana ceuli.

Kuring asa ditonjokhulu angen. Teu sangka

Aldy wani ngomong kitu kakuring. Budak nu ku kuringdianggap cicing tur nuruttéh, ayeuna geus kumawa -ni. Sakedapan mah kuringteu bisa ngomong. Nga-betem. Acara karesep nukeur dilalajoan, harita mahteu mincut ati. Gap kanarémot. Cetrék tv dipareum -an.

“Naha kumaha kitu?”kuring nanya deui. Diuknyanghareup ka Aldy ayeu -na mah.

“Bapa isin nya gaduhputra Mina? Pedah Minacacad?”

Kuring jempé teu ném-balan.

“Mina téh sami kenehsiga Aldy,putra Bapa. Tapinaha siga alim ngangken,maké isin sagala,” Aldymimiti tatag nyaritana.“Apan Bapa téh hoyongputra istri. Méh sajodo,saur Mamah gé. Ari tosgaduh diapilainkeun dapédah cacad. Mina gé ali m -eun lahir cacad téh. Barinagé saha jalmina nu hoyonglahir tur cacad. Ieu mah tospapasten Gusti Nu MahaSuci.”

Kuring élékésékéngdipokpokkeun kitu téh. Ge-

uningan manéhna geus bisaneguh kana eusi haté ku -ring.

“Aldy mah teu isingaduh adi cacad. Karunyawé nu aya. Kumaha munaya nu moyokan? Saha nurék buméla mun seug ayababaturanana nu reknganyerikeun? KedahnaBapa nu masihan sumangettéh. Hiji bapa wajib ngajagaanakna dina kondisi ku -maha waé. Bisi Bapa isinwaé, nya Aldy gé sanggemjadi pelindung Mina. Aldysanggem ngagedéan hatéMina sangkan teu minder.”

Aldy terus menta ham-pura ka kuring bari nyiumleungeun. Teu lila manehnangaléos. Badé istirahat,cenah.Kuring teu bisa ném-balan. Ukur unggeuk. Regotcikopi dina meja nu titadidiantep téh, diuyup. Raga-mang nyokot roko. Pele -nyun udud bari nyangsaya.

“Aeh, aéh, naha moal kakantor kitu?” Tita nga-gareuwahkeun kuring tinapanglamunan, bari ngajen-tul di lawang panto.

Kuring nyéréngéh. Ayarasa bungah jeung kagagasséséléké sumeleket jerohaté. Haté indung jeunganak nu beresih wening,geus mukakeun lawangkasadaran, yen Mina téhmutiara haté paparin NuMaha Asih.

Basa mobil lalaunanangageuleuyeung, Titangagupayan ti lawang, carasasari, unggal kuring rék kakantor.

Dina taktakna, nyang -sang kénéh anduk jeungpiyama barudak, urut makétadi peuting. Langitlenglang, nganteur hate nucaang narawangan. ***

Jagabaya,5 Désémber 2013

Panglawungan 13

“Sing sabar, Kang. Budak

mah teu bogaeun dosa. Budak

tanpa daksa lain kahayang

urang.

Éta tos papastén ti Nu Ka-

gungan. Urang mah pi-

lakadar nampi jeung

sumerah diri,” sora Tita

leuleuy.

21Manglé 2462

CCarita Pondok

PADA ngupah-ngapéh kusakur nudatang gé dateu kuat.Nyaho deuih,

nyeungceurikan mayit téhulah tepi ka midangdam.Kudu pasrah, sabar, tawekal,kudu narima kada papastén.Nu tilar mah da geus puguh,mulang ka kalanggengan,dipundut ku Nu Kagungan.Lain teu engeuh tapi kumahaasa nyedek waé dina angen.Teu kaampeuh. Cipanon teubisa dibendung, kalah bedahdeui-bedah deui. Mun teupada nangkeup mah, hayangngagugulung, ngagaléntoranKang Uloh nu geus kari ba -nusan. Pada ngariung, beukibeurang beuki ngaliud nungaralayad téh.

Nyaan asa diheulang.Peuting téh teu nanaon, jag-jag belejag. Ari janari betngadadak rénghap ranjug.Diurutan tonggong jeungdadana, kalah beuki kacida.Kakara gé ngageunggeuing siCikal, sina nganteur bapanaka rumah sakit, Kang Ulohgeus ngulahék. Mangkaningnu aya di imah téh nganduaan jeung si Cikal, adinakeur ngéndong di bibina di

lembur, da peré. Si Cikal wénu cukah-cikih ngabéjantatangga, RT jeung RW.Ngageroan dokter nu imahnateu pati jauh. Sina dipariksa,panasaran, enya gé geusyakin, salaki téh geus ngaleu-paskeun nyawa.

Cenah ceuk adi beuteung,sababaraha kali kuring teuinget. Aya kana tilu kalina di-parayang ka kamar ogé. Tepika teu nyaho, basa adi beu -teung, mitoha, jeung dulur-dulur ti pihak salaki, ba radami ogé. Ceuk mitohaawéwé, dan mitoha téh karisabeulah, geus barempug,cenah, layon Kang Uloh téhrék dibawa ka lembur,dikaluat di makam ku-lawarga. Ngadéngé kitu téh,awak ngadadak lungsé,kawasna téh teu inget deui.Eling-éling téh pada nyeu -ceuhan bari sina nyeuseupkolonyo nu dikocrotkeunkana tisu.

Sanggeus diuk nyarandédi patengahan, deukeutlayon, maksakeun nyarita.Kang Uloh kungsi ngobrol,mun pareng dipundut tiheula, dikubur téh teu kududi lembur. Di dieu waé dimakam kompléks da bogahancengan, milu udunan ka

DKM keur meuli tanahkuburan. Teu pati jauh tiimah, aya wé ari dua kilomah. Saréréa gé urang kom-pléks mah dikuburna téh didinya. Teu metu. Mitohajeung adi beuteung keukeuh,layon Kang Uloh rék dibawaka lembur. Rarasaan, sorang -an téh pamajikan Kang Uloh,boga hak nangtukeun tempatdikurebkeunana salaki. Ku -ring jeung si Cikal keukeuh,mitoha jeung anak-anaknakeukeuh.

Sababaraha kali dicari-takeun, éta téh amanat jenat -na Kang Uloh, ongkoh arikuburanana teu pati jauhmah, tangtu gampil arinyekar. Tapi teu bisa diong-gét-onggét. Indung KangUloh teu sirikna ngagorowok,bari nunjuk rorék kanapanon kuring. Pajah téh, arinu maot mah kumaha nuhirup rék dikubur di mana-mana ogé. Kang Uloh téh arigeus jadi layon mah kuma in-dung jeung dulur-dulurna.Ustad Sadli, Ketua DKM dikomplek milu nyarita, yénteu hadé marebutkeun layon.Ditétélakeun ku ustad téh,anak pamajikan almarhumboga hak nangtukeun dimana layon dikurebkeunana.

Mitoha ngageroan anakna,adi Kang Uloh nomer dua,sina buru-buru ka lembur.Ngali kuburan. Teuing naonnu dicaritakeunana mah dabangun nu haharéwosan.Ngan cenah, rék ngagugukana kahayang kuring, LayonKang Uloh téh teu kududikubur di makam ku-lawarga, rék di makamumum tapi keukeuh kudu dilembur.

Rada ngemplong, keunwé di lembur ogé ari dimakam umum mah, henteudi makam kulawarga. Nganbet asa ngajeletit kana hatébasa mitoha nyebutkeun,cenah,, mun teu kawin kakuring mah, Kang Uloh téhbaris panjang umur. Geusbras ka lebah dinya mah,awak asa dipupul bayu,ngalempréh teu inget dibumi alam. Barang nyah be-unta, layon Kang Uloh geusrék digotong kana ambulan.Méméh asar cenah kudugeus dikaluat, bisi kaburuhujan. Ongkoh pamali mayitteu buru-buru dikaluat mah.

Mun teu ras kana temahwadi mah, kuring hayangmuntangan pasaran barinambalang ka mitoha. Di-henteu-henteu gé kuring téh

Carpon Us Tiarsa R

KuburanPONDOK

Manglé 246222

Mikolot téh teu asa-asa, dapuguh ti leuleutik geus teuboga bapa. Ari hég di kantoraya nu nyaaheun, nyaahbapa ka anak.

Atuda umurna gé, kolotKang Uloh 12 taun

Cék pikir kuring kitusotéh. Béda meureun ari cékjinisna mah. Buktina, disak-sian ku wakil kapala, KangUloh bet nembrakkeun eusihaténa, boga karep hayangmihukum kuring. Rék buru-buru datang ka kolot kuringdibaturan ku Pa Wakil, rékménta kuring pikeun jadipamajikanana. Alesananamah, cenah, Ceu Jua em-bungeun dibawa pindah

pamajikanana malah geusboga anak dua geus galedé.Baréto indung bapana teudoaeun Kang Uloh ngawinkuring téh. Ari ayeuna mahda geus puguh, hirup rumahtangga sakitu lilana. Barétosotéh kuring rumasa, sasatngarebut Kang Uloh ti CeuJua, ti pamajikanana numatuh di lembur, beunangngarérémokeun kolot padakolot. Ayeuna mah apan ku -ring pamajikan Kang Ulohtéh, bari geus boga anaksadua-dua. Lalaki hiji awéwéhiji. Geus 14 taun hiruprumah tangga bari bagja wésakitu mah. Hirup ogé teugumantung teuing ka salaki,da puguh kuring gé pagawénagri. Kang Uloh pangsiuntéh kuring mah kalahnérékél, golongan gé geusngadeukeutan golonganKang Uloh. Ongkoh ayeunamah apan Ceu Juana ogégeus taya di kieuna. Dua taunsanggeus Kang Ulohngarangkep jeung kuring,Ceu Jua maot.

Sakantor jeung KangUloh téh. Kuring masihkénéh honorér basa KangUloh diangkat jadi kasie téh.Saban poé panggih, sasatsakulah-sakolih, anak buahKang Uloh pangbudakna numindeng diutuh-étah. Taranitah nu séjén jadi notulénrapat, malah kuring sokdipercaya ngonsép jeungngetik surat dines. Sok diajakmun rapat ka propinsi ogé.Tapi tara panggih ari jeungCeu Jua mah. Da tara pipilu -eun kana PKK atawa riungankulawarga di kantor ogé.Embungeun ninggalkeunlembur, ceuk Kang Ulohmah. Karasa pisan nyaahnaKang Uloh ka kuring téh. Teusirikna totomplokan, mataksirik nu séjén.Waléh wé,mimitina mah ka Kang Ulohtéh ilahar ka dunungan wé,cara babaturan sakantor, pa-pada anak buahna. Nyebutgé sarua jeung nu séjén,Bapa atanapi Pa Kabid. Lila-lila bet robah asa ka bapa.

jeung ongkoh teu boga anakwaé padahal kawinna geusmaju ka salapan taun.

Sapuluh poé camplengngahulengna ogé. Bingung,daék kumaha teu daékkumaha. Kuring téh awéwé,asa piraku kongang ngaje-jewét haté awéwé deui. PastiCeu Jua bakal nyerieunhaténa. Salakina, panu-tanana, direbut. Dipikirdeui, malah jeung indungogé sapamanggih, kuringlain ngarebut Kang Uloh tiCeu Jua, da nu hayangnaogé lain kuring tapi KangUloh. Ongkoh asa geusmeujeuhna kuring meunangjodo. Umur geus méh nin-

cak 30 taun, can kungsiboga kabogoh-kabogohacan. Di kantor téh loba nulalagasan kénéh téa mahtapi bangun ngajarauhan.Pédah di kantor téh ngankuring kitu nu sakolana ju-cung tepi ka S2 atawa bisajadi kulantaran kuringdeukeut jeung kapala?

Satengah tilu layon téhkakara diiangkeun ka lem-bur. Kuring dicararék kubatur sakomplék, teu kuduteuing milu ka makamawéwé mah. Tapi da hayangngayakinkeun di mana KangUloh dikaluatna. Kuringmilu dina ambulan, diuk dihareup jeung anak nu

23Manglé 2462

awéwé. Tepi ka imah mitohatéh tabuh satengah lima.Gura-giru layon dibawa kanasigit tukangeun imah mi-toha. Urang lembur nyaro-latkeun da urang komplékmah geus nyolatkeun di

imah. Ti masigit ka makamtéh kari meuntas jalan gedé,kahalangan ku kebon ko -song nu Mang Suwita, adimitoha. Layon téh digaro-tong dina pasaran, ambulanmah parkir di hareupeun

masjid. Ngan kuring, kapi-adi, jeung anak kuring,awéwé nu milu ka makammah. Mitoha jeung dulurKang Uloh mah euweuh numilu.

Lain kuring waé nu nga-

jenghok téh. Pa RW, ustad,jeung tatangga sakompléknu nganteur, arolohok.Liang kaluat téh geuningpondok. Ngan samétersatengah panjangna téh.Kang Uloh mah apanjangkung, saméter tujuhpuluh dua jangkungna téh.Da katelahna ogé di lemburmah, walanda hideung.Jangkung badag, irung ba -ngir. Kuburan téh geus teubisa diakalan deui, ka luhurjeung ka handap ngagedukkana kuburan séjén. Ditugarka siraheun jeung ka tun-jangeunana ogé pamohalan,da pasti ngagebros kanakuburan séjén téa.

Teu kaampeuh kuringngawiwiw, da cék ingetan,ieu téh pagawéan mitohajeung adi beuteung. Adibeuteung téh nyampeur -keun. Nyaritana leuleuy,ngupahan. Ménta sangkankuring léah, layon KangUloh dikaluat di makam ku-lawarga.

Geus nyedek piam -bekeun tapi ras deui kanalayon, watir teuing kudungadagoan ngali kuburananyar mah, moal teu kama-griban. Kuring melong ka PaRW jeung ka ustad. Dua-nana bangun nu surti,arunggeuk nyaluyuan ka-hayang adi beuteung. Ka-paksa kuring gé unggeuk

Regeyeng wéh layon téhdigotong. Henteu jauh-jauhteuing makam kulawarga timakam umum téh. Aya ari300 méter mah kari ka beu-lah kidul, mapay jalan ron-daan. Enya wé geus sadiakaluat téh. Jero jeung pan-jang da puguh meunangngukur. Atuh kari blus. Teulila ngaluat téh méméh ma-grib geus lekasan.

Bérés telekin, kuringngarérét ka gigireun kubu-ran Kang Uloh, Beulahkénca. Nyaan, éta pisan nuteu dipikahayang ku kuringtéh, Kang Uloh téh diku -burna gigireun pisan kubu-ran Ceu Jua. ***

ong sokulin tipeutingbudakmah,hayangaya anu

ngarawu siah? Sakitulembur keur haréng -héngna ku Kélong téh.”ceuk Mang Sarip ka bu-dakna Si Ara nu katém-bong maké baju haneuttandaning rék ngider. SiAra teu nolih kana pan-yaram bapana, kalahtonggoy waé bari tuluyngongkoyangkeunsarung.

“Nya arék ka manamanéh téh atuh Ujang?Lain derem di imah. Beu-rang peuting taya pisankaseubeuhan kana ulintéh!” Indungna milu nya -ram.

“Éta arék ka posronda, rék papasakanjeung barudak.” Ceuk SiAra bari tuluy asup kakamar, teu lila ka luardeui bari mawa sénter.

Indung bapana geusteu bisa ngomong nanaondeui, da Si Ara kaburungagejlig mantén ka luar.

“Tong peuting teuingbalik téh!” Mang Saripngagorowok.

Si Ara mah teu nga -déngé, da geus lumpat katonggohkeun, rék nepu -ng an baturanana nu geusdijangjian ti beurangnamula.

Ahir-ahir ieu mah dilembur Leuweung Kolétéh mindeng pisan kacari-takeun nu kaleungitan.Leungit hayam ampirunggal peuting, bungbua-han nu mayakpak beukidieu beuki ngurangan,padahal ku nu bogana di-pusti-pusti. Kitu ogé ba-long, dipelakan mang kilo-kilo, art témponadibedahkeun ngan karimujaérna wungkul, laukemas mah teuing kama-rana. Urang LeuweungKolé geus cop waé ieumah aya garong, moalnyana ku hama mah. Dabiasana lamun hayam kucareuh puguh kéokna, ba-long diranjah séro puguhtapak sisitna na tamba -kan anana. Da ieu mahleungit téh euweuh tapak-tapakna acan.

Ku lantaran éta lurahtéh ngahangkeutkeundeui ngaronda. Susugan -an ari aya ronda mahgarong téh teu pati teuingngagalaksak. Ngan Leu -weung Kolé téh lemburnakacida hara-haraeunjeung geueuman. Min-deng kacaritakeun nukawénéhan ningali Ké-long, gagayabagan ngu -rilingan lembur siga ayanu keur ditéangan.

Ari sabagian budakngarora di éta lembur teupati teuing parcaya kanahal nu kararitu. Pajarkeuntéh cenah Kélong mah

ayana ogé ngan saukurdina dongéng, ngabobobobudak céngéng, euweuhdikieuna. Éta mah meu -reun jalma borangan waé,nu puguh mah kalongdisangka kélong. Kaayaangenting kitu dimangpaat -keun ku lampah teu uni.Ari bangsatna horéng lainsi itu lain si éta, nu puguhmah barudak ngora di étalembur nu lalenger jeungeuweuh gawé, néwakanhayam batur jeung ngu -seupan lauk.

Barudak nu balangortéh ngakukeun ka kolot-kolotna mah rék ngadonmilu mantuan ngaronda.Bari jeung datang kasaung rondana téh soktengah peuting, kitunaogé langsung waé ngage-bra. Tayohna mah disaung rondana ngadonmilu héés, seubeuh kuhakaneun meunang ma -dog ti lemburna kénéh.

Nu ngaluluguan teubenerna mah Si Kohar.Budak gejul jeung sangar.Kalakuan mreman eu-weuh kasieun. Urang lem-bur ogé geus neundeunkacuriga ka Si Kohar téh,tapi can aya bukti pikeunnyerek manéhna.

Si Kohar henteu so-rangan, da dibaturan kuSi Burhan, Si Acong,jeung Si Ara. Tayohnamah geus diajar ngom-plot.

“Ka mana waé ari sia?”

ceuk Si Kohar nu titatadingadeluk ngadagoan, di-haminan ku Si Burhanjeung Si Acong.

“Tadi dicaram ku kolot...,” ceuk Si Ara baringahéhoh balas leumpangrurusuhan.

“Geus ampir sabulancan ngarasaan nu hanyir-hanyir. Tadi beurang aingningali balong Haji Sobur,aya Si Kumpay sagedépingping.” Ceuk si Kohar,nu tiluan surti.

Sanggeus puguhtargétna mah tuluy waéopatanana arindit murubalong Haji Sobur. Per-nahna balong rada neng-gang, aya di lebakeunimah nu bogana.

Nu muru balong téh SiAra jeung Si Kohar.Sésana Si Burhan jeung SiAcong jaga-jaga di jalanbisi aya nu manggihanatawa datang ngadadak.

Si Ara jeung Si Koharkeur jongjon ngakalanngala lauk emas.

Keur kitu jol-jol pe -leng hir kaambeu baubangké nu kacida ma -bekna.

“Sia hitut atawa modolAra?” ceuk Si Kohar baringagitik sirah Si Ara. “Baukieu kéhéd téh!”

“Cadu teuing uingmah!” ceuk Si Ara baringusapan sirahna, le-ungeunna sabeulahnyekelan useup.

Keur kitu teu kanya-

Manglé 246224

PPuridingPuringkak

Nu NgagaybagKu Taufik Rahayu

“T

hoan ti luhur aya nugagayabagan dinaluhureun pancuran. Ku SiKohar karérét, barang di-sidik-sidik beuki deuibeuki kaciri badag jeungngadeukeutan. Manéhnanu keur nyenyekel useupngayekyek ningali nurupa kitu mah, teu kungsilila Si Kohar langsungngagubrag teu inget dibumi alam.

Si Ara nu keurjongjon nguseupogé kagareu -wahkeun, ningaliSi Kohar jol-jolngaguruprakteu pupuguhmah tuluywaé ngahui-tan mérétanda ka nunungguansangkannyalam-peurkeun.Can eungeuhdi hareupeun -ana aya nueun teup.

Cikikik Kélongtéh nyikikik ba -ngun nu atoh mang-gih mangsa.Écés katém-bong ku SiAra, ayaawéwéjangkungbadag turjangjangansiga jangjangkalong.Buuknangawigwig pikasieuneun,susuna rayud sagadé-gedékalapa ngaburayot kaluar, kukuna paranjangleuwih-leuwih ti kukumaung. Huntu rang-géténg bari sungutna nga-

cay, teu kitu waé da barijeung kaambeu bauhangru.

Karék ogé Si Ara rékngagoak, kaburu dirontokmantén jeung geus teubisa nyoara. Geus kitumah geleberwaé

dibawahiber kaleu -weung.

Ka sayangna dina lebahtangkal teureup.

Teu lila jol Si Burhanjeung Si Acong. Nepi dipancuran, kasampak SiKohar teu inget di bumialam. Rék gogorowokan

ménta tulung, inget yénmanéhna téh keur malinglauk. Atuh baris kapang-gih yén manéhna téhgarong. Rék dibawa balik,teu kuat mawana ari nuteu éling mah. Rék diting-

galkeun ogésarua

bi -

ngungna,komo nyampak Si

Ara euweuh mah. Tung-tung mah ngaguyah-guyah Si Kohar sangkanéling.

Ari haben diguyah-guyah mah, teu burung SiKohar téh sadar. Nganbarang hudang téh lain

kalah sadar, tapi kalahkokocéakan nyebut jurigKélong. Ngadéngé SiKohar nu kalah koko -céakan kitu mah, SiAcong jeung Si Burhanogé birat da sieun ka-panggih modal manéhnamaling.

Haji Sobur nu geussaré kagareuwahkeun,tuluy waé turun ka legok

muru balongna. Nyam-pak di balong aya Si

Kohar nu keur nga-muk bari

kokocéakan.Dina bilik pan-curan aya laukemas nga-garantung.Haji Sobursurti, teu lilaaya saba -barahaurang ta -tanggana nunyalam-peurkeun.

Geus kitukadéngé ti pos

ronda sorakohkol dititir -

keun. Teu pati lilajelama geus ngagim-

bung di imah HajiSobur sadia jeung

pakarang saaya-ayana.Ningali kaayaan Si

Kohar nu sasar jeung ka-surupan mah, tuluy waéRT Teguh nitah néangUstad Basir pikeunmarancahan. Teu pati lilasanggeus diparancahanmah Si Kohar téh élingdeui. Haji Sobur jeung nuaya di dinya sapuk moalwaka merkarakeun peri-hal lauk emas, tapi kudu

25Manglé 2462

NNyambung ka kaca 38

CCarita Heubeul

Anu rék nyam -pak keun diimah geus sadia,dilulu guan kuTayib.

Saperkara hayang némbong -keun beresih ati, kadua mi-nangka pameuli ngaluwudua taun, da sasatna mahHaji Tayib gé “ngahukummaneh” ngabengbeuratanhaténa ku sumpah téa. Jabati kitu, wawakil dulur sa -réréa, da apan Ujang Tamimmah mapag ka Cirebon.

Haji Tayib ngaturna numapag jeung nu nyampa -keun téh bisa pisan. Ieukudu kieu, itu kudu kitu. SiAnu kitu, si Taeun kieu.

Suasana riungan, carapoé hujan poyan, ongkohbéngras témbong srangéngétapi ngaruy, ongkoh bungahgedé haté, tapi piceurikeunpating garayot perbawa ka-gagas. Rarasaan téh ongkohatoh tapi ratug.

Jol kaimahna, teu wakaabus, kitu deui nu lian teu

waka meunang nga -bagéakeun, sabab Haji Tayibrék adan heula; ceuk papa -tah kolot, lamun sésa buang -an rék mimiti abus imahkudu diadanan heula, mi -ceun sial-bengsal ambehtinggal jayana.

Ujang Kusén katuttatamu, lantaran geus padangabéjaan ti anggalna najanpanteg sono ogé wayahnanangtung heula sakeudeungngadago Haji Tayib anggeusadan, éstuning nambahanketir, tingsérédét kana haté.

Rérés adan, gabrug baéUjang Kusén nyuuh ngarawusuku bapana, geus teu bisangomong jaba ti “Ama, kur-ing tobat!” segruk ceurikkawas budak, gabrug deui kaindungna, ngan ukur bisanyebut “Ibu”, rumpuyuk NyiHaji rubuh geus teu kuatnahan pegu ngan haté; éar nucareurik di luar di jero, dakabawakeun, jaba guyur kukapiuhanana Nyi Haji,hadéna Ujang Kasan,

lanceuk patuturun huluUjang Kusén, hideng sartarikat, regeyeung indung nadipangku dibawa ka enggon.

Kabungah indungkabendung,kahalangan kujasmani,ku caah-bungahdibengkah,jasmani teu kuatdeui,ngarumpuyuk kapiuh -an,duméh geus leuwih tileuwih.

Nu unggal waktu dila-mun,dipiéling beurangpeuting,dirasakeun kanye-rina, dibélaan kuru-aking,balas napakurananak, teu nolih diri pri -badi,Dicipatna kuru be-gung, kari tulang reujeungkulit,balas nandangansangsara,beungeut kotorawak lecih, ari gok jagjagwaringkas, beungeut setraawak lingsig, Berekahpaneda indung, diijabah kuIlahi,nu nangtayunganmahlukna,bari dirina pri -badi,sadrah ihlas henteuaral, tarima ka takdir diri.

Agungna rahmat YangAgung, najan di tempat nurujit,di puseur naraka

dunya, moal weléh senangpikir, ngeunah saré ngeu-nah dahar,sabab AllahMaha Asih.

Meunang sabulan mahUjang Kusén téh pada nga -riung baé ku baraya jeungsobat-sobat. Itu-ieu méh teuaya nu pangling, lantaranawakna jeung beungeutnakawilang teu aya robahna,cara jaman ngahiji jeung NyiPiah baé, tetep seger turlingsig, kawantu di Surabayaogé ukur dijurutuliskeunieuh jeung sok aja “alas par-tikulir” ti dapur sipir jabakadaharan ti Hatebessy téh.

Nyi Rapiah jeung in-dung-bapana gé geus kabé-jaan yén Ujang Kusén balikdeui tur teu jiga-jiga sésaparantéan. Tapi boh NyiRapiah, boh Haji Abdulraupatawa bojona, henteu ne -pungan, lantaran barétogeus boga ceda.

Gawéna Ujang Kusén téhsaheulaanan mah aya man -tu-mantu Ujang Tamim ayanalang-nalang Ujang Kasan,tamba kesel méméh bogadeui pacabakan anu baku.Pangulinanana ka Arsali di

{ 31 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 246226

Gardujati nu dikawasakeunnyekel anemer bahanwawangunan téa ku UjangTamim. Ari burit ti méméhmagrib nepi ka bada isa mahpasti aya di masigit Salasa-Jumaah bada isa nepi kapukul 11 sok ngaji.

Nénjo peta Ujang Kusénkitu, Haji Samsudin poharaatoheunana, nepi ka sok ra-jeun ngalimba ngangresinget jaman pupuasanbaréto. Karasa ayeuna mah,yen anakna téh dina galeuhmaneuh beuti pamelarananamah lain jalma jahat, éstusabageur-bageurna. Barétogé lain jahat samanéa, tapikeur dikersakeun “mabal”kabawa ku sakaba-kaba, lan-taran ku kanyerian jeungninggang di budak ngora canboga luang.

Nyi Haji geus komo deui,lir ka anak anu paéh hirupdeui. Hiji mangsa mah mi-nangkana ngajagjagan hatéUjang Kusén, Nyi Haji téhabang-abang lambé, malibi-ran, ngan henteu pok baénitah boga deui pamadjikan,ka Ujang Kusén. Ku UjangKusén balibir indungna téhkahartieun jawabna pondokpisan tapi teges tur tetela,basana : “Moal waka bogadeui pamajikan. Geus bogatetenjoan mah moal teungumaha ka Ibu.”

Pikeun jalma anu nepi kangalaman jadi parantéanalatan ti pamajikan, kuurang oge kaharti, yén tim-banganana terhadep awéwétéh beurat pimomoteunana.Ceuk pamikir Ujang Kusén :“Nu geulis mah di jalan géréa, nu hésé téh nu hadé. Aripeta milih pamajikan téa,tampolana cara nu milihkawéni, ti luar mah nya limitnya seungit, tapi ari dipesekbet buruk jeung aya “pu-trian”. Ukuran geulis téa,dina seuh-seuhanana mahteu anggeus ku alus rupalimit kulit, tapi ku bogoh

jeung ku duriat. Najan ka nualus raut hadé paké, ana teudibarengan ku duriat mahngan semet resep nénjo, anarajeun jiga hayang nyacap,jiga sono pogot, sihoréngngan ukur pangjurung napsuperbawa hawa, lain medaltina sih tresna; geus kacum -ponan mah napsuna, sokcara ucing buncir beuteung,morongkol béak kahayang.Tapi ari ku duriat mah, geusmoal katénjo dekokna, moalawas ka cewawna, bowék géteu burung daék, sok bogoh

baé.” Cindekna Ujang Kusénrék boga deui pamadjikantéh seuseuneueun kénéh kuNyi Rapiah. Barang dina hijimangsa di imah Haji Sam-sudin haneuten deui, sababsakabéh anak jeung minantuHaji Samsudin dihajadikum pulkeun kalawan pa-

menta Haji Tayib, arék turunkaul téa, ikral ka UjangKusén, rék ngajak munggahHaji, tapi teu disebutkeun arika jinisna mah, yén turunkaul téh minangka ngalebursumpah waktu diajak sailonku mitohana dua taun katukang, dititah ngaku, yénduit R. 5000,- nu dipaok kuUjang Kusén téh magar bogaHaji Tayib. Sanggeus HajiTayib ikral, Ujang Kuséncengkat rék ngajawab, sa -réréa cu ringhak, masangceuli hayang tetela kana ucap

Ujang Kusén. Ku saréréageus dipastikeun, yén UjangKusén moal teu daékeun dibawa ka Mekah, ieu deuigeus sidik yén nyantri.

Tapi jawabna bet kieu:“Kang Haji, sadaya kaasihsareng kanyaah Akang kukuring kateda pisan lahir

batin dunya-ahérat kuringngucap nuhun. Tapi pa-padaning kitu, kuring moaldaék narima pangajakAkang, sabab geus gilig sartabuleud, kuring mah sa -mangsa-mangsa parengmunggah Haji hayang kuwaragad beunang itikurihpribadi, ladang kesang so-rangan, teu hayang karanapangasih batur masing dulurogé. Jeung lamun téa pa -reng, indit téh hayang mawapamajikan anu sidik bélapati, anu nyata yén satia,sasat munggah haji ku bandaduaan. Ku sabab éta KangHaji muga ulah leutik ati,lain teu nampi kana sipatasihna.”

Pasamoan anu ti tadijempé téh mani asa tambahjep jempling pisan, saréréapada ngarasa tekenansuasana asa neundeut, beu-rat sari eungap. Ngadéngéomong Ujang Kusén kitu téh,nu kolot nu ngora asangadadak beakeun kecap,babakuna seueul asa ditum-buk jajantung duméh jawabUjang Kusén pohara patong-gong-tonggonna jeung nu di-arep-arep, malah geusdipastikeun léahna, tadina.

Ujang Tamim, bubuhanlalaki percéka tur pageuhtanjeuran, awas yén adi beu-teungna nya ngarasa kaisi-nan, nya kabur pangacian,pohara karunyaeunana,jeung moal hadé ngantepsuasana jadi réngkéngngadak-ngadak, pokngomong: “Tah, kumaha arigeus kitu, Haji? Si Uceng ge-uning teu daékeun. Naha rékdiririhan baé?”

Haji Tayib rada dareuda :“Ngingetkeun yén ieu téhpanadaran, turun kaul, ka-hayang kuring mah Ujangtéh sing daék, da teungarugikeun ieuh.”“Kumaha tah Kusén?” CeukUjang Tamim.

(hanca)

27Manglé 2462

Manglé 246228

Bagian

193

CCarita Nyambung

Peuting ka-231

Ti sajigna Asad,Amjad hu-leng-jentul.Hanjakalngidinanadina lunta

sosoranganan. Ceuk pikirna,najan kumaha waé ogeleuwih hadé babarenganngarah aya pigeusaneun si -lihkumahaan. Tapi, ari rasdipikir deui, mana kitu gégeus titis-tulis bagja diri,kudu ngalaman papisahjeung adi nu kacida dipika -nyaahna.

Kalayan rumanggieung,Amjad maksakeun manéhindit ti sisi éta gunung.Muru jalan nu brasna kapakotaan. Sajajalan Amjadluak-lieuk niténan adina.Teu kaop aya nu ruang-riung, disidikkeun heula,bisi adina aya di éta tempat.

Beuki lila lalampahanAmjad beuki jauh. Bras wéh

ka tengah kota. Di dinya, in-yana téh nyampeurkeun nudagang roti. Maksudna, lianti rék barangbeuli, ogé na -nyakeun kaayaan éta kota.Saterusna, Amjad gé na -nyakeun hiji tempat nungaranna Abnos, taya lian tinagri nu diheuyeuk ku ba-pana. Nu ditanya, mémangapaleun pisan ka Abnos téh.Da, cenah, tina béja nupabéja-béja, nu ahirna jadikacapangan yén éta nagritéh beurat beunghar ka -layan dipingpin ku raja adilnu katelah Komarujaman.

Ngadéngé omongan nudagang kitu, Amjad gé atoh.Horéng nagrina téh sohorkacida. Atuh, kitu deui ba-pana, kaceluk ka awun-awun jadi raja adil pala marta nu sohor ka jauhna.

Ngarasa cukup meunangkaterangan, Amjad mayarroti. Geus kitu mah, gagan-cangan muru tengah-tengahkota, nu taya lian ti rék

néangan adina.Cunduk ka hiji tempat,

Amjad kacida lungséna.Sajongjongan mah ngum -pulkeun tanaga. Reureuh di-panyawéran imahna tukangngaput. Apal Amjad gé kanapagawéan kitu mah. Ecésciri-cirina, loba pakéan nusawaréh mah acan anggeus.

Kalayan maksdu rékmaluruh adina, Amjad géngadeukeutan éta tukangngaput. Gancang pribuminanya. Atuh, Amjad gédaradad wé ngadongéng -keun lalampahanana. Najantaya nu ngabandungan, lianti tukang ngaput, omonganinyana jeung adina téh teudicaritakeun sacéréwéléna,aya kénéh nu dikilungan,lantaran inggis ku bisi rém-pan ku sugan.

Ngadéngé omonganAmjad kitu, tukang ngaputkarunyaeun. Pok wé nyarita,cenah, keur saheulaanan,mending wé cicing di ma -néhna, lantaran mun ka -layang-koloyong di éta kota,bisa baé jadi mamala. Lan-taran, masarakat sabu -

deureun éta tempat numuhit agama Majusi, bakalkacida ngéwaeunana kaAmjad.

NU dicandet atoh. Keursaheulaanan mah, teu udar-ider. Mun téa mah ingkah tiimah, lantaran aya panga -butuh, tangtuna gé ukur arika cai wé, ka laut. Ngadonnyeuseuhan jeung mandi,da kitu kailaharan urangdinya gé.

Dina hiji waktu, sapertibiasa, Amjad gé ka cai, rékbebersih sakalian nyeu seuh -an. Ngan, geus kitu wé, dinajajalaneun ka imah, ieuputra raja Abnos téh pa-panggih jeung wanoja nuumurna pakokolot supajeung manéhna.

Tina silih pikawanoh,Amjad mutuskeun réktepung deui dina séjénwaktu. Atuh puguh wé nyimojang téh kacida bungah -eunana. Jangji Amjad mé-mang teu jalir. Luyu jeungwaktu nu disayagikeun,Amajd jeung éta wanoja téhpatepung deui.

Keur leuwih ngaakrab -

29Manglé 2462

keun masing-masing pihak,Amjad nawarkeun tepungdina waktu anu leuwihrinéh. Ari jawaban nyi mo-jang, cenah, harita kénéh géteu jadi sual. Inyana sayagidi bawa ka mana waé ogé.

Ti jalan, Amjad jeung étaawéwé muru panganjrek -anana, imah tukang ngaputtéa. Ngan, kakara gésababaraha léngkah,manéhna kakara sadar, bisajadi nu disémahanana teupanujueun ku kalakuanAmajd kitu téh. Antukna,éta lalaki téh mawa nyi mo-jang ka tempat séjén.

Ngan, ka mana? Tah étanu matak bingung keur

Amjad mah. Leng miikir,lahlahan rék néangan tem-pat nu merenah geusanngedalkeun eusi haténa kanyi mojang.

Peuting ka-232Blus Amjad ka jalan leu-

tik, dituturkeun ku étaawéwé. Ngan, lalampa-hanana teu laju, lantaran étatéh gang buntu.

Pas sababaraha lengkahti tungtung gang, aya wawa -ngunan anu wéwég resik.Teg wéh, tangtu éta imahtéh bogana sudagar atawapajabat.

“Ieu bumi salira téh?”ceuk nyi mojang.

“Leres,” ceuk Amjad.Leng manéhna ngahu-

leng. Ngan, geus kitukuduna, horéng éta pantoimah téh dikonci pageuhnaker. Taksiran, pangeusinakeur taya di imah.

“Duh, hanjakal, koncinadibawa ku pagawe kaula,”ceuk Amjad.

Pok Amjad neruskeuncaritanana. Tangtu wé, lainnu sabenerna, da ngomongkitu sotéh ukur ngarang.Cenah, hanjakal, teu bisaburu-buru asup lantarankonci éta imah dibawa kubadégana téa. Biasana,cenah, mun indit-inditantéh sok ngampleng.

Maksud Amjad, suganwé ari dicaritakeun kitumah, éta awéwé téh pami-tan. Ngan, kalah sabalikna.Cenah, kajeun teuing nepika peuting, rék ngadagoanwé. Atuh, Amjad téh teubisa majar kumaha.

Taksiran, si awéwé téhteu sabar. Da, satutas luak-lieuk, nyi mojang mawabatur sagedé peureup kolot.Ujug-ujug beledag wé, batutéh ditimpugkeun kanakonci éta imah. Ukur sasa -bara panimpug, konci imahpotong, bray wéh muka.

Geus panto muka, siawéwé miheulaan murutengah imah. Najan tayasasaha, ari katuangan mahgeus sadia. Da, mémangkitu kabiasaan nu bogaimah téh, mun sakalieunindit-inditan téh sok nyim-pén heula katuangan.

Keur jongjon dariukdina korsi bari ngopi saaya-aya, torojol nu boga imah.Enya, éta pribumi téh paja-bat pamaréntah nu biasangajamu tatamu. Barangnempo di tengah imah ayanu keur ngopi, nu bogaimah gancang ngarandeg,terus nyisi ka lebah temboknu teu katara mun ditingaliti jero imah.

Ngan méméh ngelok,karérét ku Amjad. Gancangmanéhna kaluar ti imah,nyampeurkeun nu anyardatang. Horéng enya wé, nungaronghéap cikénéh téh,Bahadur, nu boga imah. In-yana téh, salah saurang pa-jabat nagara nu ngagemagama Islam.

Najan can ditanya pa-maksudanana, ku lantaranngarasa tugenah geus ku-mawani asup ka imah batur,Amajd nyariatakeunlalakonna. Atuh, puguh wénu boga imah téh karun-yaeun. ***

(hanca)

Manglé 2462

MMimbar Atikan

TI taun 2007 cenah,Pemda Kabupatén Ban-dung hayang boga gedongbudaya téh. Lian ti mé-mang kagiatan sosial bu-

daya téh kaasup penting pikeundimumulé, atuh katambahan deui kupoténsi budaya di wewengkon Kabu-patén Bandung anu mani sakitu eu-yeubna. Ti baheula kénéh, Kabu pa tén Bandung mah beunghar kuseni-budaya buhun. Sanajan kase-butkeun tatar Sunda loba kalindih kubudaya pop, kaasup budaya de-ungeun, tapi ari seni jeung budayatradisional mah, di Kabupatén Ban-dung teu kungsi pareum. Ku weu-teuhna éta poténsi, sageuy munpamaréntah daérah henteu milutanggung-jawab, ngamumulé seni-budaya daérah ku cara nyadiakeunsarana keur kagiatananana.

Bulan-bulan kamari geus ang -geus. Pikeun méré ngaran anupantes, nya diayakeun saémbara.Enya, néangan pingaraneun téh di -saémbarakeun. Malah hasilna geusmuncul dina sababaraha minggu katukang. Tina 30 leuwih pingaraneunanu diusulkeun ku masrakat, jebulkapilih hiji ngaran: Sabilulungan.

Tapi tétéla kasuksésan téh teu di-anggap sampurna ku sakadar bogagedong kabudayaan anu agréng jeungkumplit ku sagala fasilitas, sababsabagéan masrakat aya anu tu sug-ema ku pilihan juri: Mani goréngngaranna téh. Mani basajan ngarantéh. Mani teu nyeni, mani ... nyarupa-rupa wé gumantung kumaha

anggapan maranéhna. Anu teupanuju kana éta ngaran, kolu nudingdéwan juri teu boga rasa seni, jigaanu euweuh pilheun deui.

“Ah, meureun jurina ukur nampapesenan,” nya kitu lah, anu intinamah, kuciwa naha bet milih ngaran“Sabilulungan”

Ku ayana ieu “masalah”, saben-erna mah meureun pihak panitia anukudu nerangkeun téh. Ngan ku sababaya masrakat anu nuduh juri teu bogaseléra seni jeung siga “odob”, nya ka-paksa wé di dieu diterangkeun. Nahakuring nerangkeun, sabab kuringsalaku anggota juri kudu nerangkeunjujutan jeung latar tukang ku naon“Sabilulungan” jadi pinilih.

Kieu jujutanana.Juri téh harita aya 10 (sapuluh)

urang. Limaan wawakil ti internpemda jeung limaan ti umum. Tina30 leuwih calon pingaraneun gedongbudaya anu diusulkeun, aya tilu calonngaran anu kapilih. Kahiji ngaran“Dalem Bandung”, dipilih ku saurang(kuring nu milihna). Juri séjén,opatan, samiuk milih ngaran“Wirana takusumah” jeung juri séjén -na deui aya limaan, samiuk milih“Sabilulungan”. Ku cara kitu, nyaotomatis, ngaran “Sabilulungan” nuunggul.

Kuring harita milih “Dalem Ban-dung”, tur nolak milih ngaran jalma,ku alesan sabab rék saha rék saha anujadi “Dalem Bandung” baroga tang-gung-jawab dina ngamajukeun so -sial-budaya di wewengkon anu

dipingpinna. Dalem Bandung tijaman ka jaman, sanajan teu saruakualitasna dina méré pangbakti kanakamajuan seni-budaya, tapi saréréangarasa baroga tanggung-jawabjeung saban Dalem Bandung barogaperanan dina ngamajukeun seni-bu-daya di Kabupatén Bandung. Ceukkuring, lamun teu maké ngaranhusus (ngaran tokoh), para dalemsaterusna, bakal baroga tanggung-jawab moral dina ngamajukeun seni-budaya. Béda deui lamun gedongbusaya dingaranan jalma anu geus di-tangtukeun, para dalem di luar étasifatna saukur ngajénan jeung hor-mat ka dalem saméméhna. Usulankuring gugur teu dirojong, sababdiéléhkeun ku anggapan yén ngaran“Dalem Bandung” geus dipaké juju-luk keur Persikab (Persatuan SépakBola Kabupatén Bandung).

“Kumaha kéh mun disangkagedongna Persikab?” ceuk juri nu teusatuju ka ku ring.

Aya juri opatan anu milihWiranatakusumah. Teu matak anéhmun ieu juri nu opat milih DalemWiranatakusumah, sabab maranéh -na boga latar pangaweruh kasajara-han anu kentel. Rata-rata barogaargumén anu kuat naon pangnagedong budaya kudu dingaranan“Wiranatakusumah”. Ceuk para jurianu kentel ku wawasan budaya-sa-jarah, Winatakusumah téh (saben-erna leuwih neueulkeun kana ngaranWinatakusumah V) anu dina mangsajumenengna, geus neundeun jasadina widang seni-budaya. Wira -

Gedong Budaya “Sabilulungan”Milihna Teu Sabilulungan(Mairan sora-sora nu ngoméntaran)

Ku Aan Merdéka Permana *)

30

31Manglé 2462

natakusumah V geus mopilérkeuntembang Sunda Cianjuran, anu tadi -na ukur seni mamaos ti Cianjur, kuyasana Bupati Wiranakusumah Vgeus kaangkat jadi seni mamaos anujadi has kasenian Sunda dinaumumna. Bupati WiranatakusumahV ogé geus boga jasa dina medalnaproduksi film munggaran anucacarita soal carita Sunda klasiknyaéta “Loetoeng Kasaroeng”. Bu-pati Wiranatakusumah V ogé mo -pulérkeun ibing keurseus di Ban dung anu jadi trénd momonésménak Priangan dina seni ibing. Kueuyeubna jasa dina widang seni-bu-daya Sunda, meujeuhna cenahlamun Wiranatakusumah (diusul -keun teu maké angka nu kasabaraha-sabarahana), dipilih pi -keun dipaké ngaran gedong budayadi Kabupatén Bandung.

Aya juri lokal ti kalangan PemdaKabupatén Bandung, anu samiukmilih ngaran “Sabilulungan”, jum-lahna aya limaan. Ceuk ieu juri nu li-maan, mun ditingali tina ajénsajarah, ngaran Bupati Wiranata -kusumah mémang boga jasa anukawilang badag dina nanjeurkeunseni-budaya Sunda. Nu jadi ma -salah, ieu ngaran geusa dipaké kungaran salah-sahiji jalan di Baléén-dah. Sakumna ngaran tokoh Sunda,di wilayah Pemda Kabupatén Ban-dung, geus dipaké ngaran jalan.Lamun Wiranatakusumah dipakéngaran gedong budaya, lian ti jadipaselup téh ogé saterusna bakalnyanghareupan masalah anyar. Tugka kiwari, galituk pisan turunanBupati Wiranatakusumah. Saeu-tikna, para turunanana kudu di -pénta paidinna.

Ku juri anu limaan ieu, nu dipilihtéh ngaran “Sabilulungan”.

Mara néhna sadar yén ieu ngaransabenerna mah geus kawilangumum, geus teu anéh. Tapi najangeus umum, ari ajén-inajén jeungfilosofina mah kawilang munel.Maju jeung henteuna hiji organisasi,kaasup pamaréntahan, bisa kahon-tal lamun masrakatna ti mimitirayat biasa tepika para pangagungnasamiuk, satujuan, sabobot-sapi-hanéan, sagala rancang-gawé di-

jalankeun sacara gotong-royong, teupakia-kia, teu pagirang-girang tam -pian, teu silih-salahkeun. Nya cenahsabilulungan téa katelahna. Ceuksalah-sauirang juri ti anu limaan,“sabilulungan” téh istilah anuumum, basajan, teu anéh, da kabéhgeus pada nyaho. Tapi jangkapentingan persatuan di kalanganPemda Kabupatén Bandung, “sabi -lu lungan” kudu jadi motto saréréadina ngahanca gawé-gawé positif.Kitu cenah.

Tangtu ayeuna geus kapanggih,teu sakumna anggota juri anu milih“sabilulungan”, ngan anu dipilih kuanu séjén jumlahna teu bisa nyaru-

aan anu milih “sabilulungan”.Pikeun sakuringeun, sacara pri -

badi tangtu teu satuju. Pon kitu deuikeur anggota juri séjénna anu saruateu milih kecap éta. Ngan lamunmah nu unggul téh lain “sabilulung -an”, naha pilihan nu lian ti éta pastibakal disatujuan ku saban jalmadeuih? ***

*) salah sahiji juri PasanggiriMilih Ngaran Gedong BudayaKabupatén Bandung,PamingpinRedaksi Majalah Sunda UjungGaluh, Pamingpin Redaksi TabloidSunda Salakanagara

Manglé 246232

CCarita Nyambung

Kuring ogé kungsiwakca, yén poéhareup téh asajadi bangbaluh.Poé hareup tina

saniskara hirup nu keur di-jalanan, kaasup babarenganjeung manéhna. Enyaan,ngiker-ngiker isuk pagéto téhasa bureng nakeranan. Arimanéhna bet leuwih milihkumaha béhna baé. Da geu -ning harita gé omongna téh,“Kita jalanin aja. Nita juganggak tau bakalan sampémana.”

Balaka baé, Nita, kuringmah saenyana teu bisa kitu.Unggal dipopohokeun, anjeunkalah haben némbongan dinasirah. Naha anjeun leuwihmilih jempé téh lantaranngarasa, yén poé hareup téhjadi bangbaluh ogé keur an-jeun sorangan? Atawa mé-mang anjeun mah hayang jadicai dina harti nu saenyana?

Nita, naha atuh urang téh ti-heula bet tepung dina kaayaannu sarua?

Dina poé-poé saterusna ku -ring jeung manéhna jadi re -men panggih, remen ngobrolpaduduaan. Manéhna remen

ngabudalkeun bangbaluh.Kuring tuluy apal kumahamanéhna baheula. Manéhnaogé jadi apal saha kuring sae -nyana. Tapi naha bet kuringnu dipilih ku anjeun téh, Nita?Anjeun manggih naon ti dirikuring? Naha anjeun percayaka kuring? Naha mémang ku -ring téh ukur hiji-hijina tem-pat panyaluuhan?

Sigana geus teu sak deuilamun manéhna mikabutuhkuring. Manéhna sok hidengdatang sorangan ka dieu. Tapilila ti lila mah kuring ogé betngarasa butuh ku manéhnatéh. Kuring sok asa kaleungi-tan lamun manéhna lila teuembol-embol. Enya, tuluynamah itu ieu pada-pada nga -rasa kabeungkeut. Kasangtukang anu sarua anu jadipameungkeutna. Sarua keurnyorangan, sarua keur geringpikir. Kuring asa manggih eu-nteung sorangan saupamakeur babarengan jeung ma -néhna téh.Turta lain sametngobrol wungkul ka ditunamah. Kuring jeung manéhnakungsi babarengan néanganpanglumpatan. Ulin babare -ngan mapay-mapay jalan. Ka

bioskop, ka pab, ka... DagoTiluopat! Jack Daniel’s, Crys-tal, Chivas Regal jeung teuingmérek naon deui. Ku pantarkuring mah hésé rék kabeulinanu karitu mah. Bubuhan pro-duk impor wungkul. Harganaratus-ratus rébu. Kuring mahari nginum téh biasana sametcap Cawan Mas buatan Sula -wesi, atawa Mansion Househasil férméntasi pabrikanTangerang. Nu matak botolurut nginum jeung manéhnamah disimpen dina lomari, teutuluy dipiceun. Kungsi aya numénta. Teu dibikeun. Lebarongkoh, alus wangunnaongkoh; teu siga botol inumanlokal anu nambleg botol taucoCianjur, atawa botol kécapMajalengka. Malah botol urutpoé kuring jeung manéhna“ngamimitian” gé aya kénéh.Ngahaja nu éta mah rada di-pusti-pusti. Dijieun cicirén,malar jadi bukti anu bisa di-tatap diusap. Enya harita,Nita. Anjeun inget kénéh teu?

Harita téh sarua malemMinggu, siga ayeuna. Balik tiBIP leumpang ngalér ka JalanDago. Sugan téh ngan ukurnyiar hawa panglelejar wung -kul ngajak leumpang téh. Arihég bet laju nyimpang kadinya. Kuring ngan tibangnyengir. Kitu deui manéhna.Asana mah manéhna tas gaji-han harita téh. Da tangkameuli sabotol badag sagala.Tiluratus rébueun! Rada hé-meng meueusan. Rék diinumdi mana?

Kaluar ti dinya, tuluy ngajakbalik ka kontrakan.

“Nggak apa-apa kan di sanajuga?” tanya manéhna harita.

Kuring ngabigeu, teu bisangomong sakecap-kecap acan.

Clak kana angkot.Sapanjang tumpak mobil

téh haté teu weléh ngager-entes. Manéhna mah kalahharé-haré. Teu biasana kieu,cék dina jero pikir. Da apansasarina gé cukup di pabwungkul. Jeung tara réadeuih, da gelas nu jadi ukuranwilanganana. Ari ayeuna betsiga nu ngahagalkeun balanjasorangan. Sabotol badag!

Teu jauh tina sangkaan.Peuting harita manéhna lir nupopohoan. Kitu deui kuring,kalah hayoh saruana. Hawapanas nyaliara. Tina tikoro,naék kana sirah. Uteuk kosongtaya nu dipikiran. Tuluy -asainget asa henteu, duka ku -maha mimitina- manéhna betgeus nyampak dina lahunan.Kuring jeung manéhna silihtangkeup. Tuluy beuki palid...

Nita, abong enya keur teuéling, bet teu ieuh mancakakiheula. Padahal mah anjeuntéh teu leuwih ti babaturan,lain sasahana kuring. Tapipeuting harita, nénjo anjeuntéh ukur minangka awéwésacara ragawi. Nu nénjonapanon birahi. Ari anjeunkumaha? Maké panon naonanjeun harita nempo kuringtéh?

Sadar-sadar wayah meletékpanonpoé. Bréh baé kajadiantadi peuting téh kakara ébréh.Eusi botol nu nyésa teu sapa -rapatna-saparapatna acan.Awak ukur katutupan ku sim-but wungkul. Kitu deui ma -néhna. Sirah karasa beurat,balas pangaruh alkohol nu canleungit sapisan. Alak-ilik kahandap. Beresih. Untung eu-weuh nu jékpot!

Keur mimiti mah kuringngarasa dosa. Lain dosa ka

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

66

33Manglé 2462

Pangéran, tapi ka manéhna.Lain ka dinya apan paniatansaenyana manéhna ngadeu -keutan kuring téh. Ngan geu -ning manéhna bangun teukumaha-kumaha. Biasa waé,teu ieuh diomong-omong.

Kungsi éta ogé kuring radangolongan. Manéhna kalahseuri leutik.

“Udah, nggak apa-apa,” cékmanéhna téh. Malah nalikasatuluyna kajadian deui pi -keun anu kadua kalina, katilukalina, jeung saterusna, ma -néhna angger ngajawabkalawan hampang.

“Kalo kamu nggak suka, yajangan. Tapi gini aja: Nita mahnggak peduli rék kumaha baéogé. Asal jangan hamil wé.Males ngagugurkeunana.Nyeri,” omong manéhna deui,bari angger diwuwuhan kuseuri. Suka sama suka. Éta nutuluy dijieun “dasar hukum”hubungan kuring jeungmanéhna anu teu kaiket kuhukum téh. Lain hal nu anéhsaenyana di kota mah. Geusdianggap papagon “resmi”dina milampah hubungansaresmi. Nyarita kitu sotéhpédah baé kuring apal sorang -an; di lingkungan kampus lainkuring wungkul nu kitu téh.Babaturan, tatangga kontra -kan, dalah dosén ogé sok pira-jeunan aya. Nyaho lah kuringgé, da sarua jelema ieuh -najan enya ari luarna mah di-tutupan ku prédikat pikareu euseun. Manéhna gé saruameureunan. Enya, taya nukudu dipikahémeng deui tinaperkara éta mah. Anu matakteu perlu diomongkeun deui.Pan cék manéhna gé, “Kitajalanin aja.”

Nita, naha ieu gé minangkapanglumpatan anjeun kénéh?Naha ukur sawates panglum -patan birahi wungkul, atawaogé jeung panglumpatan haté?Kumaha perasaan anjeun kakuring saenyana? Naon nudipiharep ku anjeun ti dirikuring téh?

Keur basa mimiti panggih,kuring sorangan éstu teukaancikan rasa nanaon kamanéhna téh. Ongkoh apanharita mah status manéhna gé

sakitu némbrakna: kabogohsobat kuring. Maenya baé rékjol-jol bogoh ka awéwé babat-uran sorangan. Tapi sang -geusna aya kajadian kitu, dinahaté bet timbul rasa karunya.Simpati téa kitu éta téh? Duka.Nu puguh mah najan kungsiaya ingetan moal jauh teuingnyampuran urusan anjeun,dina kabuktianana bet kalahsabalikna.Enya, kuring so -rang an ta dina mah moal ieuhrék ngalibetkeun manéh.Malah rék api-api teu paduli

waé. Manéhna nya manéhna,kuring nya kuring. Hirup ku -ring lain hirup manéhna.Masalah manéhna lainmasalah kuring. Komo deuiieu masalahna lain bantrak-bantrakeun. Asa haroréammémérésna ogé. Da tangtukana seuseut nakeranan, turengkéna bakal réa rambat ka-maléna. Ngan geuning ari hatémah teu bisa dibohongan. Anutadina niat rék ngantep téhdina emprona mah teuwalakaya, nalika manéhnanyarita teu boga baturpakumaha. Manéhna terusdatang deui ka dieu. Kitu

jeung kitu satuluyna. Tug kamanéhna harita téh makékungsi terus terang sagala.

“Nita nggak nuntut kamubuat bérésin masalah Nita.Nita mah cuman péngén adaseseorang yang nemenin.Please, Nita nggak tau lagiharus ngomong ama siapa.Kamu ogé tau pan, Nita ayeu -na keur kieu kaayaanana,” cékmanéhna, rada ririh.

Kuring teu ngawalonnanaon. Bet ras kana kanyerisorangan. Enya meureun,

moal bina ti kitu karasana. Dimana-mana gé nu ngarannaditinggalkeun ku jalma anudipikacinta mah sarua baé.Ngan lebah nu ngaranda-panana anu béda téh.Manéhna awéwé, kuringlalaki. Mungkin baé tina jihatpsikologis teu sarua. Tapisaenyana manéhna mah ayaleuwihna.

Kuring sorangan harita téhkeur meumeujeuhnangalanglayung. Najan satékahpolah tumamprak kana naonanu tumiba, angger baé karasanyanyautan. Turta dina em-prona bet tuluy manjang.

Dalah nepi ka ayeuna gé sokrajeun kasuat-suat kénéh kuitu téh. Nya basa mikir kalebah dinya, kuring laju daékmarengan manéhna téh. Lan-taran manéhna butuh baturpakumaha anu bisa dipunta -ngan téa.

Tapi sama sakali teu kabadéti anggalna, lamun kuringjeung manéhna bakal sakituraket deukeutna. Lainwungkul kasang tukang anunepungkeun kuring jeungmanéhna téh. Lebah kalakuanogé horéng réa nyekrupna.Ulin bareng. Nginum bareng(malah saré ogé tuluyna mahmindeng bareng.) Éstuningsagala rupa ogé remenbabarengan, pada-pada silihayunkeun kahayang. Pamus-tunganana aya tatali batin anunganteng antara kuring jeungmanéhna.

Kuring apal kumaha riwayathirup manéhna. Malah apanjeung kuring pisan manéhnaremen milampah talajak nircatéh. Tapi kuring teu kungsinganggap manéhna awéwéanu taya hargaan. Teu, teupernah sakali-kali acan bogaanggapan kitu! Enya, apankuring gé sarua bobolokotna.

Malah diaku kalawan jujur,ti diri sorangan bet tuluy ne-undeun rasa ka manéhna téh.Tadina ukur suka sama suka,taya ieuh nu ngarasa kapaksa.Manéhna léah, kuringnandéan. Antukna lila-lilamah manéhna teu saukurasup kana hirup kuringwungkul. Manéhna ogé geusngeusian lolongkrang hatékuring -najan kuring soranganteu bisa nyindekkeun: sahasaenyana manéhna dina hatékuring téh? Salian ti éta, ku -ring sorangan teu yakin: nahamanéhna anu bakal jadi baturhirup kuring satuluyna téh?

Ari anjeun kumaha, Nita?Naha sarua deuih kuring ogéngeusian lolongkrang haté an-jeun? Ah, Nita, bet jadi kieugeuning lalampahan urangtéh. Betah anjeun di dieu téh,Nita? Naha dina kaayaan kieuanjeun ngarasa tengtrem hatétéh?***

(lanjengkeuneun)

Di tempat ku -ring ngum-bara hésécai, lamunhayang rada

salsé jeung caina radaberesih, kudu daék hudangsubuh! Ka pancuran, caiséké. Caina sagedé curuktéh lain bobohongan. Nganku sabab pancuranana sokdicocokan ari ti peuting,nya lumayan ogé lamun di-antep sapeuting téh sokrada ngagolontor. Dalamun seug rada beurangsaeutik mah lapur, moalkabagéan.

Rada deukeut ka imahpancuran téh. Ayana peun-taseun susukan kiruh. Jadilamun rék ka pancuran téhkudu meuntas heula, nga -raas, da euweuh cukang.Jaba euweuh pisan aling-aling, ngemplong. Mangkapeuntaseun pacuran téhaya jalan hirup. Puguh wélamun kabeneran aya numandi kabeurangan téh nungaliwat bisa gratis lalajobujur nu mandi !

Dur bedug subuh ku -ring hudang rék mandi kapancuran. Anduk disalin-dang keun, sabun, émbér,panyiuk teu poho. Rasamanéh subuh kénéh, canaya batur nu ka cai, mandi

téh salsé wé. Baragadalbubuka bari nangtung.Brus mandi.

Sabot nyabunan awak,kadéngé di tukangeun radabéh hilir, aya sora anu nga -béréwék. Kontan kuringngalieuk. Kira-kira 5 méterti palebah kuring, samar-samar aya nu ngabelegbeg,ngajentul semu hideung.Teu pati ditolih ieuh. Tapihaté bet rada hemar-hemir, rumasa kuringjelema anyar, acan nyahoseluk beluk daérah éta.Gesat-gesut kuring bebere-sih. Terus dianduk. Andukdisampingkeun, kaos kolorteu dipaké da hayang buru-buru balik téa. Rada ridubalik téh. Sabeulah nga-jingjing émbér dieusi cai.Sabeulah deui nyekelpakéan jero katut wadahsabun jeung panyiuk.Terus ngaraas.

Lebah tengah-tengahsusukan, teu ku hanteuanduk morosot. Kontanleungeun kénca ngadem-pet anduk. Orokaya wadahsabun ngacleng tina pa -nyiuk da kageuweungkeun.Kuring rada gugup. Cagémbér diécagkeun, rékngudag heula wadah sa -bun. Samar-samar katingalngaléngléong ka palebah

”batu” nu ngajentul téa.Kuring luluncatan

ngudag. Tapi dasar nasibkeur numbuk di sué,barang geus deukeut, ukurtinggal ngarongkong, teuku hanteu suku tisolédatkana batu nu lukutan.

Kuring ngajolongjongka hareup, ka palebah batugedé téa. Leungeun réknahan awak sieun neung-gar kana batu.

Barang ’’batu” téakatepi ku leungeun, "batu”téh kasurungkeun, nga-jengkang jeung kadéngéngagoak:

“Aduh!” cenah.Sidik sora awéwé. Ku -

ring reuwas alahbatan kunaon. Awak geus euweuhdeui nu nahan. Gubragnindihan “batu hidup” téa.

Duh Gusti geuningawéwé! Manéhna kusah-koséh rék hudang, awaknakatindihan ku kuring. Arikuring sajongjongan mahkasima, asa kabur panga-cian. Lain buru-buruhudag.

Sanggeus rada kumpulingetan, geuwat hudang.Bari rada gugup kuringtomada :

“Aduh ... pu ...punten we Ceu, teu di-haja!”

“Sa ... sawios walonnaampir teu kadéngé.

Ku kuring diangkat pe-upeuteuyanana. Papaké -anana kabéh jibreg.

Sakolébatan katingal“ngolényay” najan ukurreyem-reyem. Kuringgeuwat ngalieus, éraparada. Manéhna geuwatmémérés sampingna, teruslumpat ka tonggoh.

Di lebah jajalaneun ayanu dijewang. Emberkawasna mah.

Salila-lila kuringhareugeueun. Nyéh seurisorangan, kuring brusmandi deui di pancuran.Anduk dikecrok-kecrokkana batu. Asal ulah kotorteuing wé. Pikiran téh keari geus rada beurang rékdiseuseuh jeung pakéanjero nu milu kabaseuhan.

Balik ti cai disampingku anduk baseuh. Baribalik luak-lieuk, ditem-poan weléh teu katinggaldeui tah Si Nyai téh.

Sabun lapur, pakéanbararaseuh, tuur bararabakda kana batu nu taréng-tong.

Nepi ka ayeuna, munkabeneran panggih jeungkuring sok ngalieus barinungkup biwir. Kapiasem

***

Nyi RandaKu Muchtar

Manglé 246234

Pulsa Listrik

Kiwari mah Listrik teh mayarna makesistem token, siga ngeusian atawamake pulsa hape. Aya untungna, tapi

aya oge rugina. Ngan nu pasti moal bisangahutang ku token mah, euweuh pulsa tehlangsung pes wae pareum, beda jeung nu ba-heula, sok rada ditolerir telat sabulan duabulan oge mayar listrik teh.

Tapi sok sanajan kitu, ari kangarananmasarakat siga kuring mah kumaha kebi-jakan nu di luhur wae, da meureun mataksistim mayar listrik dirobah oge ngarahngindung ka usum mibapa ka jaman,sangkan praktis jeung teu ribet. Urang mahukur bisa nurut wae.

Anyaran make token listrik mah sok asabaringung oge. Dadakuna mah pas meulipulsa listrikna. Ari kaayeunakeun mah tokenpulsa listrik oge aya di mini market jeungwarung-warung biasa oge.

Hiji mangsa mah kuring meuli tokenlistrik ti minimarket, dihijikeun jeung balan-jaan dahareun jeung bubutuh lianna.

Geus beres babayar mah struk teh tuluywae diasupkeun kana wadah runtah, da geuskabiasaan. Keur naon mamawa struk balan-jaan ka bala-bala di imah.

Nepi di imah, pas arek ngahurungkeunlistrik. Ngahuleng. Ke ke, ari nomer resilistrikna mana? Gebeg teh inget yen biasanalamun meuli pulsa listrik ti minimarket mahsok aya dina struk resina teh.

Teu mikir panjang deui, balanjaan di-tunda, langsung wae muru ka wadah runtahdi minimarket urut kuring balanja.

Nepi ka minimarket, kapaksa wae kudukokoreh neangan struk dina wadah runtah.Erana mah nataku pisan.

Komo loba nu lalar-liwat tos balanja.Meureun nyangkana teh ka kuring tukangmulung atawa boa galandangan.

Tapi ari teu diteangan, lebar pulsa listrik.Kuriak wae dicarekan ku pamajikan.

Sanggeus kapanggih mah, tuluy waegura-giru ballik. Bari beungeut euceuy bakatku era. Ka pamajikan mah ngaku teh pohoteu meuli pulsa listrik.

Da ari rek terus terang sok kalah ngelegjeung nyeungseurikeun. Rumasa lamun pa-majikan ngalaman hal nu sarupa oge ku kur-ing sok diseungseuri keun.***

Tavi AtmaniskalaJl. Kolonel Ahman Syah No. 67

Sayang – Jatinangor

Kueh

Meunang titipan kuehti babaturan pikeundosen. Rada sedil ka

babaturan teh ari keur dosen aya, ari kasobat sorangan siga nu teu ingeteun. Sakitugeus dipapadonan teh. Si Ropik mah ha-hampuraan wae, lain teu inget cenah tapipoho. Rarasaan ti imah mawa 7 dus kueh, aripek kalah 6.

“Keun engke dua minggu deui oge uingka Bandung cenah, sabar heula!” kitu cenah.Ngan angger wae asa keuheul.

Kuring jeung si Ropik teh anyaran luluskuliah. Sok sanajan geus lulus, ari duduluranjeung dosen mah tuluy manjang. Si Ropikngokolakeun pausahaan rumahan nyieunkueh di Depok, sabulan sakali sok mulang kaMajalaya, ngalongok ninina cenah.

Dititpkeun ka kuring teh, pedah kuringmah sok sanajan geus lulus oge masih sok kakampus, milu mantuan dosen jadi volenterpanalungtikan. Lumayan wae bisa nambah-nambah pangalaman.

Nepi di imah teh kasampak pamajikan,adi jeung alo nu keur lalajo tipi. Kuring mahbiasa wae tuluy mandi mun tas balik ti kan-tor teh. Kueh titipan mah rek dibikeunisukan, isuk-isuk sakalian aya jangji papang-gihan. Beres mandi rada reuwas. Da kasam-pak pamajikan, adi jeung alo teh keurngarecah kueh titipan keur dosen.

Teu papanjangan, da rumasa teu tarapti,teu ngabejaan pamajikan jeung adi. Lang-sung wae sasadu ka babaturan. Babaturanoge teu bisa majar kumaha ari geus dipurakmah, untung cenah can dibejaan dosenna,mun enggeus teh lapur wae bakal wirang,boh manehna boh kuring.***

Ilham Fajru ZamanMajalaya

Luhureun Gapura

Kajadianna sababara taun ka tukang dilembur Kubang aya nu maot barimaotna teh pabuburit. Atuh da

karunya ka mayit lamun didagokeun ka isukmah, ahirna mah diputuskeun mayit teh dikurebkeun poe eta jeun teuing kaburitanoge. Bubuhan di lembur ari aya papait mahmasrakat teh teu talangke sabisana-sabisana,aya nu ngurus mayit aya nu ngagali kubu-ran. Sanajan bari rusuh pagawean teh aribabarengan mah rengse, nepikeun waktungurebkeun mayit mah geus wanci reup-re-upan. Kabeneran poe eta teh aya nu hajat,atuh rada paciweuh keur batur salemburmah, nya kanu hajat, nya kanu kapapatenan.Geus ilahar ari hajat di kampung mah kaon-

dang teh teu siga di kota di batas waktuna.Ari di kampung mah sapoe sapeuting, munteu kaburu tibeurang, atuh tipeuting.

Pon kitu deui urang tatangga kampung,ieu ge akur kaondanganna teh geus sapukrek ti peuting bae. Urang sebut bae Bi Emin,Bi Epon, jeung Ceu Mae, maranéhna kaon-danganna teh Saba’da Isa, atuh ngabringtiluan nyamperkeun nu boga hajat. Ari lalak-ina mah rada pandeuri, da biasa ari dilem-bur mah mun nyambungan teh nyaawewe na, nya lalakina. Harita teh caangbulan, tapi rada reyem-reyem, nu tiluanterus lempang mapay jalan kabeneran kudungaliwatan makam nu maot tadi buritdikurebkeun. Keur jongjon galecok ngobrolsilih tempas, pas ngaliawat lebah makam, BiEmin panonna ningal ka luhureun gapurajalan paranti ka makam. Ari breh aya nungajepat bodas gebeg, Bi Emin teh ngagebegbari jajantungna ngadadak ratug sarta hari-weusweus nyarita “Ari ...i ... tu naonlu..luhureun ga..gapura ? Atuh kontanpanon Bi Epon Jeung Ceu Mae ge neuteupkana luhur gapura. Enya bae katingal kuCeu Mae jeung Bi Epon aya nu ngajepatbodas. Saterusna mah, nu tiluan teh kalahngayekyek bari silih keumbing, malahjingjingan beas mah geus di tolih,baringomongna teuing eureupeup teu puguh.Tungtungna kalah naragog da sukuna siganu hese di lengkahkeun. Untung kasampeurku rombongan lalaki.

“Aya naon atuh..bet kalah naragog di-dieu ? ceuk Mang Oyon heraneun. “Ay... yyabbegig...” Ceu Epon wariweusweus. “Begigdimana?” ceuk Mang Ade mairan. “Ituluhureun ga..pura.” ceuk Bi Emin ngajawabbari ngalaleper. Paneuteup Mang Oyonjeung Mang Ade langsung ningali kanaluhureun gapura, atuh sarua maranehnarada kageteun. Dasar Mang Ade mah teuborangan, tuluy nu bodas ngajepat luhureungapura teh disampeurkeun bari disenteranku batre. Beuki deukeut beuki atra horengnu ngajepat teh samak bodas urut mulenmayit, teu di kubur kalah digulungkeundiluhureun gapura. Atuh ku Mang Ade tuluydidudut samak teh bari muru ka awewe numasih naragog.

”Lain begig, tuh tempo samak.!” ceukMang Ade bari mekek piseurieun. Atuh nutiluan keur paungku-ungku bari gogobyos kukesang tiis kumpul deui pangacian. Tuluycarengkat bari ngabebeseres jingjingnganjeung kesang nu maseuhan tarang. Ahirnamah neruskeun deui lalampahan, bari teuinggerendeng nu ditungtungan akey-keyannyengseurikeun polahna sorangan.***

Wawan DarmawanSMPN 4 Rancah

Cisontrol, Rancah - Kab. Ciamis.

35Manglé 2462

5 MIEDaripada ngalamun mikiran

kabogoh atawa pamajikan batur,mending urang ngarang, jejernatina kecap MIE nu jadi matak:

1. Mie duakeun Pangeran (Do-raka matak kanaraka)

2. Mie ceun runtah ka be-ungeut mitoha (sarua jeung nga-jak gelut ka mitoha)

3. Mie kul pamajikan batur(ieu mah sigana hayang dikadekku salakina)

4. Mie luan aliran sesat (kududitengor jalma kieu mah)

5. Mie kiran wae harta dengancara yang tidak halal (jalma kieumah moal jauh ti pajabat nu sokkorupsi)

Tavi AtmaniskalaJl. Kolonel Ahman Syah 67

Sayang – Jatinangor

POE LEBARANHiji dunungan menta diham-

pura ka badegana.Dunungan: "Mang, hampura

kuring teh rumasa sok nyarekanjeung sesentak ka Emang." (ba -ngun nu kaduhung).

Badega: "Naha atuh teu sopanka saluhureun oge?" (rada nyen-

tak)Dunungan: "Mang, upami en-

jing bade mulih, mangga tongkadieu-dieu deui." (bari leuleuy)

Tavi AtmaniskalaJl. Kolonel Ahman Syah 67

Sayang – Jatinangor

SULAPAnak Hayam: "Ema, tadi

bangsa manusa aya nu sulap,ngadahar goreng endog, arikaluar tina bujurna bet endogatah belegeran!"

Indung Hayam: "Teu aneh,pan Ema oge bisa nu kitu mah!"

Kanti SulistiawatiGg. Eceng RT 05/09Malabar - Bandung

DitarimaOjo : Dung, yakin kitu maneh

ditarima di TNI angkatan Laut?Pan maneh mah teu bisa ngojaylin?

Dudung : Naha make kuduhariwang uing teu bisa ngojay,tuh geuning nu ngalamar ka TNIAngkatan Udara oge teubarisaeun hiber.

Ade ResdiansyahJl. Astana Anyar No. 23

ApelUdan : Naha maneh teu apel

ka neng Inul?Udi : Keur boke euy! Udan : Ooh kitu, mun maneh

moal apel mah, keun ku uingurang wakilan nya, kabeneranuing ker loba duit yeuh!

Udi : Maneh mah!!!

Ade ResdiansyahJl. Astana Anyar No. 23

Ulah FesbukanBapa : Geura ka masigit

siahh!!! Ulah fesbukan wae! ma-grib deuleu!

Ujang : Hor! ari bapa etangome-ngome hp keur naon?

Bapa : Bapa mah keur twiterandeuleu! lain fesbukan!

Ryan D.- Jl. Jamika 45

Rental mobilUdin ngijeum mobil Kang

Sarip. Karek sajam geus datangdeui.

Kang Sarip: Naha teu jadi kaTasik teh? Jeung leumpangdeuih.. ka mana mobilna?

Udin: Mogok, karburatornakacaian..

Kang Sarip: Terus di manaayeuna mobilna?

Udin: tilelep di walungan!

Astri S - Jl. Gurame 123

Teu NgartiUdin : Asa aneh urang mah

ngabandungan omongan pama-jikan.

Ibro : Aneh kumaha?Udin : Pek we pikir ku maneh.

Ongkoh bulan kamari teh kakan-dunganana karek 3 bulan, pirakubulan ieu majar teh geus 4 bulancenah.

Astri S - Jl. Gurame 123

Mabokkabayan : Nyi, akang mabok!Nyai : Hah? Asaw siahh!!!Kabayan : Horr! Dangukeun

heula atuh!Nyai : Rek ngajelaskeun naon

deui kang? Sidik akang ngaku so-rangan akang teh keur mabok!Pokona nyai rek balik ka ambu!

Kabayan : Nyi akang mah lainmabok ku AO, tapi mabok cintaka nyai.

Nyai : Cooo cwwiiittt...

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

GelutOmo : Eh, naon maneh mel-

ong? Ucup : Naon maneh? Maju

siah ari wani mah! Omo : Maneh anu maju siah!Ucup : Eh, siah sok maju ka

dieu mun wani mah! Omo : Maneh atuh maju

kadieu, sok ! Ucup : Sok lah siah, moal boro

dilayanan ku uingah mah!! (terus

Manglé 246236

weh papuket ngadu ramo, ha-hayaman)

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

Mihape+ "Nyi, akang rek ka kota, jadi

mihape meuli tiung teh?"- "Jadi atuh kang, hiji weh."+ "Warna naon?"- "Kumaha akang weh war-

nana mah, rek beureum rek hi -deung ge teu nanaon, asal nukoneng nya?"

Asep MahpudinSDN Haruman Sari- Garut

TatarucinganNani : Tatarucingan yu..? Cik

tebak; leutik, hideung, baseuh,bau, naon?

Iim : Sireum keur push up..Kelekna ka anginkeun...

Nani : heueuh bener euy.Iim : Iihh... ulah ngabodor atuh

ari teu bisa mah, meuni garing...

Asep MahpudinSDN Haruman Sari- Garut

DIJURUNGAkang: "Nyai ... Akang rek

miang ka medan perang. Dunga -keun sing salamet. Mun dina jerosataun teu balik-balik. Tong sa -lem pang komo sedih, berartiAkang teh nyandung!"

Nyai: "Sok dijurung pisan kuAbdi ku dua, mugia Akang per-laya di medan jurit!"

Kanti SulistiawatiGg. Eceng RT 05/09Malabar - Bandung

GRANAT"Sugan teh buah kadongdong

nu aya di barak dapur teh!""Ari pek?""Granat!""Lain kokos atuh, da pasti pedo

ari keur lapar mah!""Teu eling."

Kasim DananjayaPolisi Militer (PUSDIKPOM)Jl.H.M.S Mintareja - Cimahi

DIHABEK"Moal, moal aya nu kuat najan

pangkat naon oge?""Nu kuat kumaha?""Enya jelema moal aya nu kuat

mun pundukna dihabek ku poh-por bedil mah!"

Kasim DananjayaPolisi Militer (PUSDIKPOM)Jl.H.M.S Mintareja - Cimahi

KA GIGIRA : Kaluhur sausap rambut, ka

handap sausap dampal. Ari kagigir sausap naon.?

B : Usap beunget sia, ngarahcageur.

Yusuf YuhendiLeuwipari 01/02 Ds Cibadak

Cibeber - Cianjur 43262

PARIKSANini : Ki.. Alam dunya teh ka

luhurna tujuh lapis langit, kahandapna tujuh lapis bumi.

Aki : Heueuh bener.Nini : Ari beh ditueun langit ka

tujuh jeung bumi ka tujuh naon.?Aki : Supaya teu panasaran.Pariksa sorangan.

Yusuf YuhendiLeuwipari 01/02 Ds Cibadak

Cibeber - Cianjur 43262

Bakal BédaEmana: “Jang ari dua dicokot

hiji sabaraha?”Budakna: “Teu apal Ma, hésé

ah!”Emana: “Maenya sakitu gam-

pangna? Kieu atuh, mun Ujangboga kadu dua siki terus dibikeunhiji, tinggal sabaraha tah kadutéh?”

Budakna: “Kaduna asak atawaatah?”

Emana: “Teu penting atahasakna mah. Sabaraha wé hasil -na.”

Budakna: “Ih Ema mah. La -mun asak moal dibikeun tahkadu teh, tapi mun atah mah, rékdibikeun duanana.”

Wawan KuswandiBlok C Vijaya Kusumah

Bandung

CaiGuru: “Nagara urang ayeuna

keur katunggaraan. Diantaranabanjir anu ngeueum sabagéanwilayah Jakarta. Cing éta téh aki -bat naon, Yéni?”

Yéni: “Masarakat anu sokmiceun runtah dimana waé, PaGuru.”

Guru: “Bener. Ari ceuk Asépkumaha tah?”

Asep: “Di Jakarta tos seueurteuing gedong alagréng, anu teutiasa nyerep cai.”

Guru: “Bener ogé. Kumaha ariceuk Susi?”

Susi: “Jakarta tos teu gaduhleuweung anu tiasa nyerep cai.Sareng sok aya istilah banjir kiri-man ti Bogor cenah mah Pa.”

Guru: “Éta gé bener. Ari ceukUdin, naon anu nyababkeunJakarta banjir téh?”

Udin: “Eu... cai, Pa!”

Wawan KuswandiBlok C Vijaya Kusumah

Bandung

Nurutan dina TelepisiGuru: “Ku naon di kelas teh

ngan nundutan waé? Kumahaengkéna lamun geus boga gawéari kalakuan kitu waé mah?”

Murid: “Da memang cita-citaabdi éta mah.”

Guru: “Maksudna?”Murid: “Muhun pan abdi téh

hoyong jadi anggota déwan. Pangeuning dina telepisi gé anggotadéwan anu nuju sidang soknarundutan.”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

Pantesan AtuhBudak: “Ma, enya kitu Si

Emang bisa ngaluncatan tangkalkalapa?”

Indung: “Enya!”Budak: “Tangkal kalapa nu

jangkung welasan méter?”

Indung: “Enya. Tapi tangkalkalapana nu geus ngagolér urutdisénso.”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

Jalma LieurPamuda: “Mang, mata uing

beureum teu?”Mamang: “Henteu!”Pamuda: “Maenya teu beur -

eum?”Mamang: “Nyaan henteu,

maenya Mamang ngabohong?”Pamuda: “Ari baham abdi, bau

teu?”Mamang: “Henteu deuih...”Pamuda: “Naha nya sakitu ng-

inum lima gelas?” Mamang: “Ari kitu naon anu

diinum téh?”Pamuda: “Cai entéh!”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

BajigurEma : Naha bajigur teh bau

kieu, jaba teu amis deuih?Ujang : Bajigurna mah se'ep ku

ujang tadi di jalan, ari nu ku emadileueut mah cai walungan, pansarua wae kiruhna mah!

Ryan D.- Jl. Jamika 45

37Manglé 2462

NGIRING NYECEP KA NU KABULUSANBagéa taun 2014. Ngan arokaya dina jero sabulan téh

urang ngan kudu terus dipukpruk musibah. Hujanngageyer, angin lilimbungan, ombak laut ngagalura,lemah ngariyeg neundeut. Jelegur gunung Sinabung,leugeudeut caah bandang ngarorord Manado jeung caahampir di sakuliah Nusantara. Can reureuh keueung, bele-dug guha tambang batubara di Sawahlonto rugrug, riyegbumi génggong di Kebumen, Cilacap jeung sabudeur -eunana. Korban lain ngan ukur harta tapi nya jiwanaongkoh.Sanajan mun diukur hadiahna anu Rp 125.000,0 kénéh tiPa H. Dadang Mulyana, dékan FKIP Unpas téh, ari eusinamah Hahahaha dina opat nomer Manglé 2458 – 2461 téhbakal langkung ngagetihan jeung nambihan sumangetmayunan isuk, pagéto jeung sarébu taun ka hareup. Geuramangga dianggo ngagaleuh bandrék, bajigur atawa wé-dang jahé kanggo ubar kabulusan bari nafakuran ni’matGusti.Nyanggakeun ka parapinunjul Hahahaha Manglé sasihJanuari 2014 ti antara anu parunjul, kahiji “ KALÉNG”dina no. 2458, kénging Sdrk. Miga Yuliawati, Jl.Ciledug167- Garut, kadua “AKI-AKI” dina no. 2459, kénging Sdrk.H.Taufik, Jl Bima V no.11, Bekasi Selatan, katilu “ICAL”dina no. 2460, kénging Sdrk. Wiwin Windianingsih, Jl.Veteran no.19, Kuningan. Carandak hadiahna ka kantorredaksi Manglé bari nyarandak KTP Nya! Nyanggakeun,sing jadi daging!***

Manglé 246238

SSambungan ti kaca 25ditalék bener-bener ku-naon-kunaonna.

Demi urang lembur,ngadéngé carita Si Koharngeunaan Kélong tuluyraribut. Bapana Si Ara,Mang Sarip nu harita ayaampir-ampir kapiuhanngadéngé katerangan ti SiKohar kitu.

“Wayahna kudu ka-panggih peuting ieu kénéhSi Ara téh, soalna mundidagoan nepi ka beurang,bisa jadi geus euweuhnyawaan.” Kitu ceuk UstadBasir papagah ka nu arayadi dinya.

“Jadi kudu kumaha ieutéh Pa Ustad?” ceuk RTTeguh deui bangun nusalempang.

“Kumpulkeun nu réknéangan saloba-lobana!”

Nu ngagarimbung ogétuluy tatahar rék néanganSi Ara nu leungit dirawuKélong. Ustad Basir jeungRT Teguh pepeta méré in-truksi naon waé nu kududibawa. Kayaning obor sa-loba-lobana, salian ti mawaobor kudu mawa barangnu matak gandéng. Lan-taran lamun teu caangjeung ngaguruh, nu leungitmoal kapanggih sanajanaya hareupeun ogé.

Teu ngaengkékeundeui, sanggeus karumpuljeung sariap kabéh mah,tuluy waé muru ka leu -weung rék néangan Si Ara.Tujuanana ka tangkalteureup nu aya ditengahleuweung, moal salah deuida Si Ara téh dibawa kadinya. Nepi ka lebahteureup. Kaambeu baubangké. Nu ngarompodmah geus ngayekyek man-tén kiih dina calana. Komobarang ningali aya nu nga-

gayabag ngajauhan tangkalteureup mah. Tapi soksanajan ngajauhan, nungagayabag téh bangun nuembung ingkah, terus-terusan ngurilinga tangkalteureup. Malah sakali-kalimah siga nu nyamberan.Barang éta Kélong nyam-ber, pelenghir bau bangkématak ongkék, sawaréhobor parareum kahibas nunyamberan.

“Ulah nepi ka pareum!Seungeut deui geuwat!”ceuk Ustad Basri ngagoro -wok. “Éta deuih nu tatalutong kalah eureun kitu,geuwat takolan sing beukigandéng!”

Ari nu ngarilu da ba -ngun kasima. Teu puguhcabak. Geus puguh nuhayang lumpat balik mah.Mun teu sieun disamer kunu ngagayabag mah geuskamarana boa.

“Tuh itu aya nu nyang -koyot dina dahan Ustad!”ceuk RT Teguh bari nunjukkana dahan di luhur.

“Enya, itu-itu katém-bong!” nu lian ngilu tutun-juk.

“Saha nu bisa naék?”ceuk Ustad Basir.

Nu ditanya kabéhgideug. Padalah mahtangtu kabéh ogé bisa arilalaki teureuh pilemburanmah. Ngan nempo aya nungagayabag mah saréréaogé ngadadak sungkan,kurik manten sabotngangsrod ka luhur ogégeus disamber mantén.

Gajleng Mang Sarip ka-hareup. Geus teu ingetdikasieun, nu puguh mahinget ka anakna. Da moaldisaha-saha deui pasti nunyangkoyot dina dahanteureup téh Si Ara. Teu

ngadagoan intruksisaterusna, térékél waé naékkana tangkal teureup barimawa tambang.

“Montong kalah ngala -lamun, éta geuwat ta ko -lan!” ceuk Ustad Basirnyentak.

Nu nyamberan téhhoréng lain hiji, beuki dieuasa beuki loba.

Sanggeus nepi di luhur.Awak Si Ara diasupkeunkana sarung nu saméméh -na dibeubeurkeun kuMang Sarip. Tuluy reketekditalian ku tambang, lajuditurunkeun lalaunan kutambang. Nu gagayabagantéh ayeuna mah bari jeungjejeritan matak pikasie-uneun.

Sanggeus Si Ara beu-nang mah tuluy waédibawa balik ka lembur.Sajajalan Si Ara siga nungamuk hayang balik deuika tukang, bari terusngomong “Itu dua ditukang, itu dua di tukang,”.Nu ngadaréngé kalah beukikokompodan, da pastinaitu dua di tukang nu di-tuduhkeun ku Si Ara téhKélong nu ambek jeungnuturkeun maranéhna.Sanepina di lembur tuluySi Ara diparancahan. Teukungsi lila tuluy tibra.

Tayohna kacapéan,keun cenah ceuk UstadBasir téh, isuk ogé moalnanaon pas hudang.

Sawaréh urang lemburbaralik ka imah séwang-séwangan, aya ogé nungadon mondok di imahHaji Sobur, bakuna mahnu imahna jauh, jeungpangpangna mah hayangnalék leuwih jéntré ka SiKohar, bagbagan perkaralauk emas kumpay jeung

garong nu ngagalaksaklembur.

Sabada asakbabadamian mah, Si Koharmoal waka diperkarakeunka polisi. Ku urang lemburmasih dihampura.

Ngan dimana sakali-kalai deui manéhnangalakukeun peta kitu,geus moal dibéré ampuncenah.

***

Isuk-isuk kénéh. Betgeus gujrud deui baé,Mang Undang jeung MangIdi kaleungitan budakna. SiBurhan jeung Si Acong. SiKohar nu diintrogasi, tipeuting siga nu poho nye-butkeun yén manéhna ma-ling lauk téh lain duaanjeung Si Ara, tapi aya deuiduaan, Si Acong jeung SiBurhan.

Ustad Basir nu dikuma-haan deui ku urang lemburtuluy gogodeg.

“Paingan atuh waktu SiAra dibawa bet habenmalik jeung nuduhkeun katukang, bari tutunjuk duadeui-dua deui!” UstadBasir paromanna semuhariwang jeung kaduhung.

Urang lembur nu da -tang néang Ustad Basirngaharuleng. Kabéh ogényangka nu dituduhkeunku Si Ara téh Kélong, pada-hal mah bisa jadi lain, boaSi Burhan jeung Si Acong.Aringeteun deuih yen tipeuting Ustad Basirngawanti-wanti, mundidagoan nepi ka beurang,bisa jadi geus euweuhnyawaan nu dirawu Kélongmah.***

(Jatinangor,5 Januari 2014)

DDongéngAkiGuru

35. Reungit jeungLancah

Pasosoré, reungit cicing diluar, tiriseun. Tuluy asup ka jeroimah, ngarah haneut sakeu -deung-sakeudeung baé mah.Mimitina asup ka imah leutik,bogana urang lembur. Di dinyanempo lancah. Lancah téh apanmusuhna. Kabéh reungit kacidasieuneunana. Éta reungit hiberpindah tempat, asup ka imahgedong. Ari geus datang kadinya, bungaheun kacida lan-taran di dinya mah euweuh nusok nyieun ramat. Pokna,“Kacida ngeunahna cicing di ieukamar. Kami moal rék kaluardeui, rék cicing di dieu nepi kadatang usum katiga.”

Barang geus peuting, betloba damar, caang matakngabungahkeun. Tuluy éta reu -ngit gegeleberan hiber, nguri -ling an damar téa. Tapi teu lilajangjangna karérab. Éta reungitragrag kana damar tuluy paéh.Bororaah bisa nyaho ka usumkatiga, hayang ka poé isuk ogéteu nepi. Hartina ieu dongéng:Lamun urang geus bisa nyingka-han hiji balai atawa picilakaeun,ulah pisan-pisan ngabayang -keun geus salamet tina rupa-rupa balai, lantaran ari nu hirupmah sasat dikepung ku balai.Saha nu talédor, pasti cilaka.

36. Dua KapitingAya kapiting dua. Nu hiji

geus kolot ari nu hiji deui mahngora kénéh. Pok nu kolotngomong, “Manéh ari leumpangulah sok miring, kudu jejeg.”

Ari jawab nu ngora, “Ka-hayang mah kuring ogé

leumpang téh hayang jejeg kahareup. Tapi ari prak dicobaanteu bisa. Cing atuh kuring paga-han ku anjeun.”

Ana heug nyontoan, miringdeui baé.

Hartina ieu dongéng: Ulahsok ngageuhgeuykeun kaca-cadan anu lian, ari sarua cacadmah.

37. Dua CiungDini hiji taun pareng katiga

anu pohara. Réa tatangkalan nuteu buahan. Kacatur aya duaciung, kacida langlayeuseunana,nahnay teunangan. Ceuk nusaurang ka baturna nu jagjagkénéh, “Cing sobat, cobaanhiber ngubeng saideran deuimah. Sugan aya bubuahan,sangkan urang ulah lungsé teu-ing. Sugan meunang deui ta -naga. Mun manéh meunangbubuahan, kiriman kuring saeu-tik baé mah. Gancang, bisi ku -ring kaburu paéhlang la yeu seun.”

Nu rada jagjag téh sangguprék ngirim lamun manggih re-jeki sarta manggih bagja.

Tuluy hiber néangan ta -tangkalan nu buahan. Kabene -ran manggih jambu bool keurbuahan sarta geus asak kabéh.Pokna, “Lakadalah, kuring jeungki sobat meunang pitulung”.

Sanggeus ngomong kitu, étaciung eunteup dina tangkaljambu, bari tonggoy nyatuanbuahna nepi ka seubeuhna.Lilana dina tangkal jambu ayasajamna. Panonpoé geus réksurup, ciung geus rék niat balikjeung rék ngirim ka baturna.Tapi manéhna asa teunangan

kénéh, sarta inget baé ka buahjambu nu arasak, nu matak pi -kabitaeun. Lila-lila manéhnakasaréan. Inget-inget deui téhgeus isuk-isuk. Tuluy baé hiberngajugjug ka enggon sobatna nulanglayeuseun téa. Barang ka-panggih, geus paéh.

Hartina ieu dongéng: adatjelema mun geus manggihbagja, sok tara inget kana pi-cilakaeun jeung kasusah anuséjén.

38. Loba Nyiruan dinaGoci

Aya nyiruan loba pisan,ngagembrong goci nu dieusimadu. Angkeuhanana rékdiseuseupan, nepi ka réa anukalebuh, tigebrus kana madu.Barang rék hiber teu barisaeunda cipruk ku madu. Nyiruanpada sasambat, careurik,ngarasa yén geus deukeut kanaajalna. Ari nyiruan-nyiruan nusalamet, lantaran ati-ati, areun-teup dina biwir goci. Enya teupati seubeuh nyeuseup mah,tapi salamet teu tikunclung.

Barang rék indit haliberdeui, pok nyarita ka baturna nucarilaka téa, “Karunya mahkarunya euy, tapi bonganmaranéh. Naha atuh tadisaméméh nyeuseup teu dipiki-ran hésé jeung gampangnakaluar tina goci.”

Hartina ieu dongéng: Anusiga gampang disorang téh anageus disorang mah sok hésé ba-likna. Kadé ulah poho, pikiranheula, lantaran hanjakalna sokpandeuri. Tapi ari geus kadu -hung mah dalah dikumaha.Kudu ditiung méméh hujan.

39. Singa jeung BeuritAya beurit nu wani-wani

naék ka gigir singa nu keur saré.Singa kagét, tuluy nyaring sartabeurit téh dicapluk.

Beurit sasambat, “Duh jura-gan, mugi juragan ngahapuntenabdi. Abdi terang juragan téhgagah sarta gedé wawanén.Upami badé maéhan abdi, nuapes siga ayeuna, geus tangtu ki-rang saé kanggo kakongasanjuragan. Bakal nurunkeun dara-jat juragan.”

Beurit téh dihampura sartatuluy dilésotkeun. Pok singanyarita, “Ku aing dikencarkeunsotéh bakat ku karunya baé.Aing henteu ngarep-ngarepkana pamales manéh.”

Teu kungsi lila, Singa keunaku jiret. Ambek bari adug-adugan hayang leupas tina jiret,nepi ka béak tanagana. Batanlésot mah, éta jiret kalah kabeuki meulit. Gagauran mataksieun, nepi ka sato-sato séjénkalabur kataweuran. Ngan beu-rit téa anu teu sieuneun téh,malah nulungan. Gancangnyampeurkeun. Jiret téh diségé-tan, nepi ka singa téh bisakaluar jeung ngencar deui. Singangarumasakeun, lamun teu di -tulungan ku beurit tangtumanéhna bakal paéh, sarta ru-masa omonganana ka beurit téhsalah. Hartina ieu dongéng:Nyieun kahadéan jeung nyaahka sasama téh tangtu aya gan-jaranana, sanajan ka nu leutik.Ari sababna henteu mustahiljalma leutik nulung pisan ka nugedé.

(hanca)

PieunteungeunKénging: R.H. Muhammad Musa

39Manglé 2462

Manglé 246240

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

41Manglé 2462

Daerah-daerah di wilayah Indo -nesia umumna, Jawa Barathususna, kiwari keur nanda -

ngan rupa-rupa musibah, kaasupmusibah banjir. Tina eta musibah , teusaeutik masarakat nandangan rupa -ning bangbaluh. Lian nyawa, hartajeung banda, atuh deui rebuan imahkakeueum ku caahna banjir. Tangtueta musbiah mangrupa pangenyeddiri, pikeun napakuran tur pang -geuing jeung pangeling ka diri urang,yen hirup di ieu dunya masing tartibmasing dalit jeung alam. Musibahbanjir nandangan sababaraha daerahdi wewengkon Jawa Barat, nya di-antara Subang, Karawang jeungIndra mayu.

Ku kajadian musibah eta, kula -warga besar Paguyuban Pasundanmuka posko kamanusaan geusanngamalir keun bantuan pikeunmasarakat anu keuna nku musibah.Kamari ieu rombongan ti kulawargabesar Paguyuban Pasundan anudiping pin langsung ku Prof. Dr. HM.Didi Turmudzi, M.Si, Ketua UmumPB. Paguyuban Pasundan miang ka

lokasi banjir, nepungan kulawarga nukeunanmusibah di wewengkon Su -bang. Rupa-rupa bantuan boh morilboh materil ditepikeun langsung kasakumna masarakat anu harita keurnandangan musibah. Harita, Paguyu -ban Pasundan ge ngirim 4 urang dok-ter pikeun mere palayanan medis(kasehatan haratis) jeung obat-obatankeur masarakat di sabudeureun lokasibanjir di Subang. Salian ti eta ogerupa ning barang-barang kabutuhanpoko (Sembako) nu estu dibutuhkeunku sakumna masarakat di lokasi ban-jir.

Digelarna eta kagiatan, KetuaUmum Paguyuban Pasundan neges -keun mangrupa babak awal. Henteuukur sakalieun, tapi bakal terus nyam-bung. Bantuan ge deui, saur KetuaUmum deui henteu ngan keurmasarakat anu keuna ku masibah diwewengkon Subang wungkul, tapideui keur masarakat anu kamusibahanbanjir di wewengkon Tanjungpriuk,Jakarta Utara. “Di Tan jung priuk,Jakarta Utara, Paguyuban Pasundan gemuka Posko Peduli Kemanusaan . Hal

ieu teh, Ketua Umum PaguyubanPasun dan negeskeun pisan hiji buktinyata, kanyaah, kamelangna, ti kula -warga besar Paguyuban Pasundan en-bggoning nyacapkeun rasa kanyaahjeung kadeudeuh ka papada dulur anukeur nandangan musibah.

Demi ngungkulan pasualan musi-bah banjir, saur Ketua Umumnegeskeun deui, lain saukur tanggungjawab pamarentah wungkul, tapitanggungjawab sakumna masarakat.

Singsaha wae masarakat jeungbangsa Indonesia umumna, JawaBarat hususna nu keuna ku musibah,deuk ti mana wae eta kulawargaasalna , jeung naon wae agamana,urang salaku umat manusa wajibhukumna silih tulung, silih bantujeung silih mikanyaah. Ku kituna,Ketua umum Paguyuban Pasundanngageuing jeung ngahiap-hiap kasakumna masarakat Jawa Barathususna, Indonesia umumna, hayuurang babarengan, sabilulunganmantuan dulur-dulur salembur,baraya saamparan rasa anu keur nan-dangan musibah.***

Posko Peduli KamanusaanPaguyuban Pasundan

AAweuhan Pasundan

Ketua Umum PaguyubanPasundan...”Ngungkulan pasualan

musibah banjir mangrupa tanggung-jawab balarea,”

Sawatara waktu ka tukang Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan simbolis masrahkeun bantuan kamanusaan di Subang.

Manglé 246242

GGedong Saté

Komisi E DPRD Jawa Baratngayakeun rapat kerja jeungdinas-dinas pamarentahan anu

jadi mitra gawena. Éta rapat lumang-sung di Gedung DPRD Jabar. Rengserapat jeung Dinas Pendidikan ProvinsiJabar, Ketua Komisi E DPRD JabarDidin Supriadin netelakeun, dina taun2014 Jawa Barat narima dana bantuanoperasional sekolah (BOS) ti pamaren -tah puseur nu gedena Rp 1,1 triliun.

Dana ieu geus katarima sarta bakaldipake pikeun BOS pendidikan dasarjeung menengah di Jabar dina triwulanmunggaran. Minangka conto, Didinnetelakeun dana BOS ti pamarentahpuseur ieu bakal dibikeun ka 178.690siswa Sekolah Dasar di KabupatenTasikmalaya atawa sarua jeung Rp25,92 miliar.

Sedengkeun dana BOS nu gedenaRp 11,37 miliar bakal dibikeun ka64.086 siswa Sekolah Menengah Per-tama (SMP) di Kabupaten Tasik-

malaya. Lian ti dana BOS, nurutkeunDidin pamarentah puseur geusngaluar keun bantuan siswa miskin(BSM) keur 2,3 juta siswa di JawaBarat.

Didin ngajentrekeun, dana BSMieu bakal dibagikeun keur siswa anu teumampu di tiap tingkatan. SiswaSMA/SMK bakal meunang bantuanprogram BSM Rp 1 juta saurangna,sedengkeun siswa SMP meunang ban-tuan nu gedena Rp 75O.000saurangna, sarta SD Rp 450.000saurangna.

Anggota Komisi E DPRD JabarSyarif Bastaman miharep dana BOSjeung BSM ieu bisa sagancangnadikamalir keun ka para siswa di kabu-paten/kota. "Saenggalna langkungsae, kumargi sakola sareng siswa téhtangtos na oge miharep sarengmeryogi keun pisan bantosan," ceukSyarif.

Syarif miharep dina ngamalirkeun

dana BOS jeung BSM ieu téh sangkanbisa ‘tepat sasaran’. "Pamarentah mi-harep oge ka pihak sakola supados tiasangamangpaatkeun dana BOS ieusamaksimal mungkin," pokna.

Kepala Dinas Pendidikan JawaBarat Wahyudin Zarkasih netelakeunyen dana BOS ti pamarentah puseur ieutéh can bisa dibagikeun ka daerah ku -sabab ayeuna pihakna masih nungguanpengajuan ti dinas pendidikan kabu-paten/kota.

"Upami pengajuanana parantoslebet, tangtosna oge langsung diverifi -kasi anu saterasna kanggo dana banto -san bakal langsung ditransfer karekening disdik kabupaten/kota," ceukWahyudin.

Sedengkeun dana BOS ti Pamaren -tah Provinsi Jawa Barat pikeun taun2014 can diturunkeun. Dina semester Itaun ieu, pemprov Jabar nganggarkeundana BOS nu gedena Rp 500 miliar anubakal cair dina bulan Maret.*** (AS)

Digelarna sidang I taun 2014,DPRD Jabar geus mimitingalaksanakeun kagiatan rutin

ngumpulkeun sababaraha OPD(organi sasi perangkat daerah) anungagarap program-program paekono -mian.

Nurutkeun Ketua Komisi B DPRDJabar, Selly A Gantina, dikumpulkeun -ana OPD-OPD ieu alesanana keurkapentingan pihak legislative anungutamakeun pangawasan kana reali -sasi jeung palaksanaan sataun kahareup program paekonomian di JawaBarat.

Selly netelakeun yen programpangwangunan paekonomian di taun2014 dianggarkeun 10% tina jumlahAPBD. Patali jeung hal eta, dina tahapmunggaran pihak Komisi B DPRD

Jabar bakal ngageroan pihak BappedaJabar mnu maksudna sangkan bisanganyahokeun sacara rinci rarancanganu geus disiapkeun pikeun pang -wangu nan ekonomi sataun kahareup.

Komisi B DPRD Jabar ngagelarrapat jeung sakabeh OPD mitra KomisiB DPRD Jabar sarta OPD sejenna diluar mitra Komisi B DPRD Jabar anungagarap program pangrojong pang-wangunan paekonomian saperti DinasBina Marga, Dinas PSDA. Gempunganjeung OPD anu ngagarap pangwangu-nan paekonomian ieu oge sakaligusngaevaluasi kasuksesan program ditaun 2013.

Patalina jeung program paekono-mian di taun katukang, pihak KomisiB DPRD Jabar geus nyatet sababarahahal. Upama PAD nepi kana Rp. 1,7 tril -

yun, mangka anggaran keurpangwangu nan paekonomian nepikana Rp.500 milyar.

Tina laporan anu ditarima, danapikeun sektor paekomian diantaranakasedot Rp.100 miliar anu di-alokasikeun keur program KCR(Kredit Cinta Rakyat) sarta dana anudikokolakeun ngaliwatan OPD mitraKomisi B DPRD Jabar kurang leuwihkacatet Rp.453 miliar.

Ku kituna, masih aya puluhan mili -ar dana anu perlu diklarifikasi geusnepi kamana dikamalirkeunana jeungdialokasikeun keur program naon wae.Ngaliwatan gempungan ieu, Selly mi-harep aya program pangwangunanpaekonomian Jawa Barat sataun ka-hareup bisa dilaksanakeun kalayanlancar. *** (AS)

Program BOS Ulah Salah Sasaran

Pangwangunan Ekonomi Cukang Lantaran Karaharjaan

43Manglé 2462

Tahun 2014 ku para juru warta mediamassa cetak jeung elektronik diberepredikat taun pulitik. Duka saha nu

mimiti mere predikat saperti kitu, estu geusjadi hiji kapastian (keniscayaan). Padahal saka -beh taun ge sabenerna taun pulitik, hartinaunggal taun, sapanjang taun urang salaku“zoon politicon”, mahluk nu (ber)politiksalawasna hirup dina saniskara putusan puli-tik. Pulitik, dina harti hirup babarengan ngali-watan institusi organisasi sarerea nu ngarannanagara, kiwari mangrupa fenomena nupasti/niscaya nu disanghareupan ku unggalmanusa. Taya sahiji manusa di dunya ieu nubebas ti hiji nagara.Ari lain nu lahir di hijiwewengkon jagad nu can diklaim jadi bageantina hiji nagara mah, tah di ieu patempatan hijijalma bakal bebas tina hiji rezim nu kumawasa.

Dina konteks ieu pisan katitenna, taun2014 di Indonesia dibere predikat taun pulitik,sabab dina taun ieu aya dua kajadian gedepakait jeung ngurus nagara, nyaeta kahiji,bakal lumangsungna pamilihan umumanggota badan legislatif, nu ngawengku MPR,DPR, DPD, jeung DPRD Provinsi jeung Kabu-paten/Kota. Kadua, bakal lumangsung pamili -han umum Presiden jeung Wakil Presiden.Dua kajadian eta dianggap kajadian gede,padahal sabenerna kajadian nu lumrah, “biasa-biasa saja”, minangka siklus lima taunan per-gantian kapangurusan Nagara jeung/atawaDaerah. Tapi kunaon sok dianggap kajadiangede, bisa jadi pedah dina taun ieu kadaulatanrayat sacara langsung bakal ngebrehkeun di-rina. Rayat bakal dibere kasempetan nang-tukeun sikepna milih para calon legislatorjeung para calon presiden/wakil presiden nudiancokeun para elit partey pulitik nu geuslolos verifikasi Komisi Pemilihan Umum(KPU) nu cenah independen tea.

Kadaulatan rayat, di taun 2014 ieukatitenna bakal hadir di bumi Indonesia. Tapinaha bener rayat Indonesia kawasa/berdaulatkana lemah cai jeung sagala pakayana nu ayadijero, di luar, jeung di luhur bumi Indonesia.Katitenna asa pamohalan(jauh panggang dariapi) keneh. Dua event politik nu bakal digelar,pemilu legislatif jeung pemilu presiden/wakilpresiden kudu nyangharepan keneh rupa-rupapasualan nu sifatna teknis administratifkepemiluan jeung gugatan hukum. Ngeunaanteknis administratif penyelenggaraankepemiluan, nepi ka kiwari sual akurasi datapemilih tetap nu basisna administrasi kepen-dudukan nu dikokolakeun kementerian dalamnegeri, diadurenyomkeun keneh. Silang pa-manggih sabaraha sabenarna jumlah rakatIndo nesia nu boga hak milih dina tanggal 3

April 2014 keur pemilu legislatif nu kacatetdina daftar pemilih tetap. Hal ieu dipersoal -keun keneh ku pamilon pemilu legislatif nyaetapartey-partey pulitik nu geus lolos verifikasiKPU jeung dtetepkeun jadi pamilon pemilulegislatif, aya dua belas partey pulitik. Ngeuna -an nu kaduaI, sual gugatan hukumkepemiluan, nepi ka kiwari ge urang nganti-nganti keneh putusan Mahkamah Konstitusi(MK) kana gugatan nu diancokeun ku Prof.Yusril Ihza Mahendra, pakait palaksanaanpemilu legislatif jeung pemilu presiden/wakilpresdiden nu dianggap ngarempak Konstitusi,sabab beda waktuna. Pemilu Presidendilaksana keunana kudu satutasna (nungguan)Pemilu Legislatif, padahal dina Konstitusinyaeta UUD 1945 hasil amandemen kahiji nepikaopat ge taya dadasarna. Pemilu legisltaiflumangsungna kudu bareng jeung pemilupresiden/wakil presiden, kitu cek para peng-gugat atawa para pemohon ka MK. Ku kituna,lamun seug gugatan Yusril dikabulkeunmangka KPU kudu siap-siap nyingkilkeun leu -ngeun baju kenca-katuhu pikeun ngalaksana -keun gawe nu daria jeung nataharkeun sagalakaperluan keur ngalaksanakeun pemilu legis-latif jeung pemilu presiden/wakil presiden nuwaktuna direujeungkeun. Ringkesna, palak-sanaan pemilu di tahun 2014 nu geus diuar-uar bakal lumangsung tanggal 9 April 2014keur pemilu legislatif jeung pemilupresiden/wakil presiden antara bulan Juliatawa saelatna bulan September 2014 bangsaIndonesia bakal boga Presiden/Wakil Presidenanyar, jadi hal nu teu pasti. Sabab kudu nung-guan Kaputusan MK, padahal sakumaha nupada terang MK keur nyanghareupan pasualankrisis kepercayaan akibat Ketua MK na kalibetkasus suap sengketa pemilihan kepala daerah.

Tayana kapastian, palaksanaan pemilulegislatif jeung pemilu presiden/wakil presi-den, lamun teu dibeberes jeung kaluli-luli tayaPutusan Mahkamah Konstitusi bakalngalahirkeun krisis kapercayaan publik ka parapenyelenggara nagara, boh ka Presiden atawalembaga-lembaga tinggi nagara lianna, kaasupka MK na pribadi. Lamun kitu nyatana,sabenarna tahun 2014 leuwih cocog diberepredikat taun darurat politik. MK kudugeuwat-geuwat mutuskeun sual iraha-irahanapemilu legislatif jeung pemilu presiden/wakilpresiden bakal dilaksanakeun. Naha bakal du-masar kana jadwal nu geus direncanakeunnjeung geus disosialisasikeun ka rakat Indone-sia atawa bakal ngabulkeun para penggugat,ngareujeungkeun pemilu legislatif jeungpemilu presiden/wakil presiden. Upamanadina bulan Juni atawa Juli 2014 hartina jadwal

Pemilu Legislatif dipundurkeun, jadwalpemilu presdiden/wakil presiden dipajukeun.

Dina konteks kawas kieu, dimanasebenar na posisi rakyat nu cenah nu nyekelkadaulatan tea. Katitenna, rayat Indonesiangan saukur aya dina posisi nominal, ngansaukur jadi “dogdog pangrewong”, “pelengkappenderita”, kahadiranana teu kurang teuleuwih ngan saukur dikeduk sorana dina duapemilihan umum. Jadi sebenarna, pemilu nudua teh taya hartina keur rayat Indonesialamun saukur ditempatkeun jadi “dogdogpang rewong”, pelengkap penderita nu ngansaukur diperlukeun sorana sacara nominal. As-pirasi rayat dimomorekeun kitu deui posisinasalaku pemegang kedaulatan rakyat,sumawon na pamanggihna mah tara ditang-gap-tanggap acan, sakabehna geus disiapkeunku para elit parpol kaasup patalekan keur sahasaestuna dua pemilu eta. Naha bener-benerpikeun nanjeurkeun kadaulatan rayat atawangan saukur alat pikeun ngaraeh legitimasisemu ti rakyat demi kokohna para elit politikjeung elit ekonomi dina ngawasanagara/daerah.

Lamun seug para penyelenggara nagara,utamana Presiden, Dewan Perwakilan Rakyat,Mahkamah Konstitusi, Komisi PemilihanUmum (KPU), oge Partai-partai Politikpamilon Pemilu boga komitmen kana kadaula-tan rayat jeung bener-bener rek ngajalankeunDemokrasi ku cara ngalaksankeun pemilu nubebas jeung bermartabat, ku kituna kudugeuwat-geuwat nataharkeun pikeun masti -keun yen Pemilu memang sarana pikeun nga-jalankeun kadaulatan rayat Indonesia, lain ngasaukur mere legitimasi ka partai-partai politikjeung para elit keur ngawasa negara. Ku carakieu, rayat ge jadi boga harepan kana ayanaparobahan nu pasti. Lamun motifna ngansaukur pikeun meunang legitimasi rakyat, aliasperlu rayat ngan saukur pikeun stempel dinapemilu, sora rayat sifatna ukur nominal, duapemilu nu bakal lumangsung ge taya bedanajeung pemilu-pemilu dina mangsa rezim Soe-harto nyakrawati ngabahudenda. Mugiapenyelenggara nagara nu gede tanggung-jawabna kana pemilu dipaparin hidayah jeungjembar manah salawasna mihak kana prinsipkadaulatan rakat. Lamun teu kitu bakal diang-gap ngamomorekeun prinsip kadaulatan rayat.Kahade ulah nepi ka rayat nanjeurkeunkadaulatanana ku cara jeung logikana sora -ngan.***

*) Penulis, Guru Besar Ilmu PemerintahanUniversitas Padjadjaran dan Ketua AsosiasiIlmu Politik Indonesia (AIPI) Bandung

2014, Taun (Darurat) Pulitik?Ku Dede Mariana

Manglé 246244

KKatumbiri

Alatan ketakna kacida pisanpentingna pikeun ngawa -ngun insan bangsa anu

mibanda poténsi individual, parapangurus GOPTKI (GabunganOrgani sasi Penyelenggara TamanKanak-Kanak Indonesia) ditungtutrancagé, dina harti boga karep, ka-mampuh, kasadaran, jeungtanggung jawabna kana pentingnangalaksanakeun pangwangunangeusan ningkatkeun ajén kahiru-pan. Éta hal ditétélakeun ku SékdaKota Tasikmalaya, H.I.S HidayatSH MSi, dina acara sérén-sumérénkalungguhan Ketua DPC GOPTKIKota Tasikmalaya mangasa gawé2010-2015, sawatara waktu nukaliwat di RM Sari Alam Kota

Tasikmalaya. Dina éta acara,kalungguhan Ketua DPC GOPTKIdisérén-sumérénkeun ti Hj. DeuisEndang Suhendar,MPd ka Hj. AtinHeryatin IS Hidayat.

Ceuk Sékda, suksésna organi -sasi GOPTKI ngahontal rupaningudagan téh, gegedéna ditangtu -keun ku para anggotana ngali-watan sumanget gawé turkamotekaran gawé bareng jeungrupa-rupa pihak dina ngalaksana -keun rupaning program sakumahanu jadi udaganana.

Sérén-sumérén kalungguhanKetua DPC GOPTKI téh mangrupa“pergantian pengurus antar waktu”ku digantina Sékrétaris DaérahKota Tasikmalaya minangka Pem-

bina GOPTKI, sarta istri SékrétarisDaérah minangka Ketua DPC GOP-TKI. Pupuhu nu anyar diistrénandipiharep mampuh ngaraketkeunhubungan gawé bareng Tri Kom-ponén TK (Depdiknas/Dinas Pen-didikan, IGTKI, jeung GOPTKI)enggoning ngawangun watek anakbangsa, sangkan jadi manusa Indo -nésia nu ahlakna mulya, dinamis,aktip, rancagé, jeung produktip.

Dina biantarana, Ketua DPCGOPTKI, Hj.Atin Heryatin,nétélakeun buleudna tékad dirinajeung sakumna pangurus, réksatékah polah nuluykeun program-program gawé nu geus dilak-sanakeun ku pangurus GOPTKIsaméméhna, sanajan tugas nu di-papacénkeun téh lain tugas én-téng-énténg. Lian ti posisi GOPTKIminangka mitra pamaréntah anupancénna ilubiung ngawangunwatek generasi penerus bangsakawilang strategis téh, ogemibanda kontribusi dina tarékahningkatkeun kualitas generasibangsa dina mangsa kahareupna.

Pikeun ngawujudkeun visijeung misi GOPTKI Kota Tasik-malaya, Hj.Atin umajak kasakumna yayasan jeung lembagaPendidikan Anak Usia Dinisangkan sapaham dina nerapkeunpendidikannana. Sanajan di -sarungsum ku inovasi jeungkréatipitas nu béda-béda, tapidibarengan ku tanggung jawabsarta angger sauyunan.***

Uun Juharti.

GOPTKIDiperedih Sangkan Rancagé

Ketua DPC GOPTKI Kota Tasikmalaya, Hj. Atin Heryatin (X)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

45Manglé 2462

Salah sahiji prinsip babakti PMI(Palang Merah Indonesia)Kota Bandung nyaéta nga-

bantu sasama umat nu keur katara-jang kasusah, tanpa ngabéda-bédasélér, agama, pulitik, jeung bangsa.Dina babakti, para rélawan PMIngaheulakeun nulungan masarakatnu kaayaanana leuwih parna ti nulian. Dumasar kana éta hal, PMIKota Bandung kakara réngsé man-tuan évakuasi masarakat nukatarajang musibah caah di Bekasi,Karawang, jeung Subang salilalima poé. Para rélawan miang kalokasi musibah bari mawa ke-lengkepan kayaning parahu karét,mobil ambulan, sarta mobil opera-sional lengkep jeung para médistur obat-obatananana. Éta halditétélakeun ku Ketua PMI KotaBandung, Ade Koesjanto, ka Mang -lé di kantorna sawatara wmaktu nukaliwat.

“Seueurna musibah alam di JawaBarat sareng di luar Provinsi lianna,sapertos caah sareng taneuh urugngalantarankeun PMI Kota Ban-dung ningkatkeun kasiagaan. Salianti di Kota Bandung, PMi Kota ban-dung ogé sipa nulungan masarakatdi daérah lian tanpa kedahdisuhung keun ku masarakat atawapamaréntah di daérah anu kamusi-bahan. Niténan kaayaan ayeuna nuseueur musibah alam, PMI KotaBandung kedah teras-terasanningkatkeun kamampuhan rélawan,sareng ningkatkeun kalengkepansarana katut prasarana, sangkantiasa langkung optimal dina nga-jalankeun misi kamanusaan,”pokna.

Ceuk Ade, PMI Kota Bandungoga tim Satgana (satuan Siaga Ben-cana) anu anggotana mahasiswa tisababara paguron luhur jeung tiorgani sasi kapamudaan Kota Ban-

dung. Saméméh dikepruk ka lokasimusibah, para rélawan dibekelanrupa-rupa kaparigelan anu luyujeung kabutuhan dina nyanghareu -pan daérah musibah. Kiwari jumlahanggota Satgana kacatet aya 700urang.

Satgana mangrupa mata holangPMI Kota Bandung nu geus kaujikamampuhna dina ngungkulanpasua lan di daérah musibah. KetakSatgana lain saukur di pulo Jawa

wungkul, tapi remen dikeprik kasaban wilayah di Indonésia sapertika Yogya jeung di Aceh. Tugasna timimiti néangan jalma nu leungitkabawa caah nepi ka ngabeberahmasarakat korban musibah alamsangkan sangkan ngurangansoakna.

Sagala hal nu dipgawé ku PMiKota Bandung éstuning demi ka-manusaan bari tanpa pamrih atawapiduit.*** Cucu

PMI Kota BandungNgabantuan Évakuasi Korban Caah di Luar Kota

WC-nisasi jeung Sanitasi AwardPikeun Sakola di Kab. Bandung

Kebersihan sabagian tina iman, kitu ditétélakeun ku agama. Alatankitu, minangka muslim, urang wajib ngajag kabersihan boh dimasjid boh imah jeung sabudeureunana, kaasup di lingkungan

sakola. Hanjakalna, di Kabupatén Bandung loba sakola nu teu boga WC,antukna teu saeutik murid anu ngompol di pakarangan sakola, atawasabab geus teu kuat tuluy kabeuratan di kebon atawa pipir bangunansakola.

WC mémang bangunan leutik anu gedé pisan gunana, tapi boh dinaABPD kabupatén boh provinsi nepi ka ti APBN tara aya bantuan keurngawangun WC. Salila ieu dana nu dikamalirkeun ka sakola alokasinageus ditangtukeun, salian ti keur ngawangun jeung ngaréhab kelas téhogé pikeun pabukon.

Sabenerna keur WC mah teu kudu nungguan bantuan ti pamaréntah,sabab bisa dibangun sacara swadaya, hasil réréongan ti kabéh wargasakola. Ceuk Bupati Bandung, Dadang M Naser, sakola nu teudilengkepan WC mangrupa bukti yén kapala sakolana teu miroséa kanakasehatan lingkungan. Kapala sakola nu nu kitu mah kudu dibéré sanksi.

“Sakola nu teu ngagaduhan WC, kapala sakolana kedah dimutasikeun.Sabab teu gaduh itikad kanggo miara lingkungan sakola sangkan beresihtur séhat,” pokna, waktu muka kagiatan sosialisasi kinerja Pemkab Ban-dung 2013 jeung program kerja 2014, di Ciparay.

Harepan Bupati Bandung pikeun nyiptakeun sakola anu bersih turséhat éstu dirojong ku Dinas Pendidikan & Kebudayaan (Disdikbud).Kadisdikbud Kabupatén Bandung, Agus Firman Zaini, nétélakeun, dinataun ieu pihakna geus nyieun program WC-nisassi. Teu cukup nepikadinya, pikeun sakola nu dilengkepan ku WC tur dipiara kabersihananabakal dibéré pangajén mangrupa “Sanitasi Award”. Agus ogé teu mangkirkana kanyataan di Kabupatén Bandung masih kénéh réa sakola nu teubogaeun WC. Ku kituna, dina taun 2014 Disdikbud geus nyieun rarancangprogram WC-nisasi anu dilengkepan nu “sanitasi Award”.***nunk

Manglé 246246

KKatumbiri

Ajén inajén seni budaya Sundatitinggal karuhun, sapertiwayang upamana, ti waktu

ka waktu, ti mangsa ka mangsa, teuluntur ku usum teu laas ku jaman.Éta seni tetep ajeg, teu weléh padamikanyah. Papadaning kitu, kuduterus ditarékahan sangkan éta senitetep hirup kalayan senimannahurip sarta hurip.

“Sim kalawan diideudeul kukang Haji Uu Rukmana, satékahpolah milarian cara sangkan seniwayang tiasa hirup lanasapapanjang a. Mana komo, apananwayang téh tos janten kareueus kuditetepkeunana ku Unesco mi-nangka salasahiji seni budayatiting gal karuhun nu diaku kusadunya,” ceuk H. Anang, tokohpadalangan, pupuhu Bengkel KerjaGolek Kancana anu ogé panataacara Atikan Bakaling Dalang, anudigelar sawatara waktu kaliwat di

Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan(YPK) Bandung.

Éta acara diiluan ku 45 urangcalon dalang nonoman ti SMKN 10Bandung, alpukahna Bengkel KerjaGolek Kancana gawé bareng jeungYPK, SMKN 10 Bandung, kalawandideudeul ku Dinas Pariwisata dankebudayaan (Disparbud) Jabar.Hadir dina éta acara Drs. H. UuRukmana M.Si. minangka WakilKetua DPRD Propinsi Jawa Baratnu ogé Ketua Déwan Kurator YPK,Drs. Sajidin Aries Kabid Keseniandan Perfilman Disparbud Jabar,seniman budayawan, sarta tamuondangan séjénna.

H. Anang nandeskeun, ajén ina-jén seni budaya karuhun, wayanghususna, tangtuna deui béh ditunamasing bisa hirup kalawan di-wuwuh ku para dalang-dalanganom nu pinunjul.

Tah kumaha ketak pamaréntah

kana dunya seni?“Nembé ayeuna karaos aya ketak

jeung perhatianna. PamaréntahProp Jabar ngalangkungan Dispar-bud Jabar, maparin pangrojong anukacida ageungna kana kamekaranseni budaya Sunda, saperti anu di-larapkeun dina salasahiji kagiatanAtikan Bakaling Dalang.,” pokna.

Sedengkeun Ketua Déwan Kura-tor YPK mah, Drs. H. Uu RukmanaM.Si., nétélakeun, euyeubna kagia -tan seni budaya Sunda di YPK téhmangrupa salasahiji wangunkadeudeuh jeung kanyaahpamarén tah kana ajén-inajén senibudaya lokal, ogé mangrupa buktinanjeurna ajén komara daérah(Jawa Barat). Tina cutatan sajarah,ceuk Uu, YPK baheula kungsi nan-jung sarta kungsi oléng deuih. Tapinepi ka kiwari éta gedong nu ngan-dung ajén sajarah tetep ajeg jadisalasahiji tempat pikeun nga-malirkeun kagiatan-kagiatan senibudaya Sunda.

“Insa Alloh, di ieu gedong duaminggu sakali, saban malemminggu, baris digelar acara seniSunda wayang. Mudah-mudahanku éta kagiatan baris mucunghuldalang-dalang ngora anu punjul,nu baris neruskeun tapak lacakdalang-dalang kahot saperti KiAsep Sunandar Sunarya,” poknadeui.

Sawirahma jeung naon anudikedalkeun boh ku H. Anang bohku Kang Haji Uu Rukmana, KabidKesenian & Perfilman Drs. SajidinAries mairan, saéstuna PemdaPropinsi Jawa Barat, DisparbudJabar hususna, milu ngarojongkana kamekaran seni budaya titing-gal karuhun. Seni budaya karuhun(Sunda) masing hirup kalawanhurip.***(nay)

Atikan Bakaling DalangDi Gedong YPK

H. Uu Rukmana (katuhu) masrahkeun ‘gugunungan’ ka H. Anang, minangka simbolis dibukana gelaring Atikan Bakaling Dalang.

47Manglé 2462

Majelis Sastra Bandung (MSB)dina tanggal 25 Januari 2014nu kaliwat umurna panceg 5

taun. Acara milangkana digelar diGedong Indonesia Menggugat (GIM)Jalan Perintis Kemerdekaan Kota Ban-dung. Sok sanajan waragadna tinaréréongan jeung pangirim ti nu haateun,kagiatan tepung taunna kawilang ramésarta direuah-reuah ku kasenian LongsérBandung Mooi pingpinan Herama HMTnu midangkeun carita kritik sosial nukwari keur aktual “Caleg (Calon PurahNgalegleg)”, aya ogé nu maca sajak YusefMulyana jeung Feri, katut KolompokUkulele Kang Adew Grup. Nu hadirna

lian ti para aktivis, aya ogé pelajar, maha -siswa, seniman–budayawan kayaningMuktie-Muktie, Nanang Mehong, DediKoral, Sonni FM, Eriyanti NurmalaDewi, Beny KPID, ogé rawuh Prof.Dr.Dede Mariana, Pengamat KebijakanPublik—Guru Besar Fisip Unpad.

Ceuk Matdon, sang Rois Am MajelisSastra Bandung, dina tepung taunna nukalima dirina teu miharep nanaon, tapingmalir wé cara cai. Tapi lamun tina“pangajian” sastra jeung “tadarusan”puisi jadi “nanaon” (kaala mangfaatna)misalna baé medalkeun para panyajakjeung panulis, éta mah mangrupa bonus.Da panyajak mah tumuwuh mekarnabadis jukut jarah, bisa jadi di mana baéogé. Komunitas mah ngan ukur pikeunngajaga épéfktivitas kréatif. Mémangsalila éta pakumpulan sastra nu boga 3rébu jamaah ti sakuliah Jawa Barat,Sérang –Banten, Lampung, JeungMakasar téh geus medalkeun panyajak-panyajak petingan saperti Heriyanto,Anisa Isti, Vinny Sumantri, RomyanFauzan, jrrd.

Nu ahéng, dina Majelis Sastra Ban-dung mah kagiatanana dingaranan kuisti lah anu Islami, nyaéta “pengajian sas-tra” jeung “tadarus puisi”. Pupuhuna gédisebut Rois Am, nyéta Kiayi Matdon.Disebut “Tadarus Puisi” téh pédah prak-prakkanana ngahrib-harib anu keurtadarusan. Sanggeus maca laju diguaratawa aya “kritik” dina sastra mah.Kagia tan tadarus puisi lumangsung

saming gu sakali. Sedengkeun “pengajiansastra” mah sabulan sakali. Para jamaahnu datang kana kagitan jumlahna taratangtu, aya tilu urang, lima puluh, lima -an, malah kungsi rabul 300 urang. Ka-giatan tadarus puisi jeung pangajiansastra lumangsungna kungsi di Galeri 8Kebun Seni, Jalan Tamansari (KaléreunKebon Binatang Bandung), GedongIndo nesia Menggugat, jeung kiwari diStudio Jeihan.

Waragadna éstu hasil réréongan tipara pamilonna. Konsumsi gé sokmarekel séwang-séwangan. Sakapeungaya anu mawa goréngan, bala-bala,malah kngsi aya anu ngirim éntéh Walinisagala. Kitu deui keur mayar séwasékréta riat, kalan-kalan Matdon ngodoksaku sorangan. Éstu prinsipna “Hiruptéh udunan!”

“Janten Majelis Sastra Bandung mahteu nampi bantosan ti pamaréntah. Pamihoyong ngabantos mah, péséran wébuku-buku, gantungan konci, da kalere-san bari dadagangan. Tiasa ogé mi-warang pangmacakeun puisi, tahburuhna kanggo waragad kagiatan.Pikeun jadi anggota gé teu kedah mayar.Malih mah bébas ka luar-asup,” pokna.

Ngeunaan Longser Bandung Mooinu dipagelarkeun dina tepung taun MSB,kasebut rada ahéng, utamana piriganananu biasana ku gamelan harita mah kuHermana dicoba maké TerbanganCigawiran. Hasilna teu ngarobah kanahégarna seni Longsér. ***Asép GP

Majelis Sastra BandungLima Taun Medalkeun Para Panyajak Petingan

Ngeueum Dina Cai Panas Cimanggu

Matdon, Rois Am Majelis Sastra Bandung

Wewengkon pakidulan Ban-dung éstu beunghar kurupa ning obyék wisata alam,

pangpangna di daérah Pangalénganjeung Ciwidéy Kabupatén Bandung.Lain ti pamandangan anu éndah, ayaogé pamandian cai panas, nyaéta diCibolang Pangaléngan jeung diCimanggu Ciwidéy. Dina usum tiiscara ayeuna éstu nikmat temenngeueum dina balong cipanas téh.

Balong cipanas Cimanggu mang -

rupa lahan nu dimangpaatkeun kuPerum Perhutani pikeun tempatwisata. Cimanggu kaasup kanawilayah désa Rancabali Kacamatan Ci-widey. Lamun urang rék piknik kaRancaupas atawa ka Situ Paténgan,pasti bakal ngaliwatan balong cipanasCimanggu.

Balong cipanas di Cimanggu dibagijadi 2 jenis, nyaéta balong keur umum,jeung kamar VIP pikeun wisata wan nuhayang laluasa ngeu eum dina cipanas

kalawan teu kaganggu ku batur. Caipanas di balong Cimanggu sumbernalangsung ti Gunung Patuha.

Salian ti timpat ngeueum dinacipanas, disadiakeun ogé tempat ulinkeur barudak, MCK jeung WC umum,mushola, warung kadaharan, jeungaréna “outbond training.”

Pikeun ngajugjug ka Cimanggu, titerminal Leuwipanjang Bandung mahterus ngidul ka Jalan Kopo, Soréang,nepi ka Ciwidéy.***dédé

Hujan ngecrek ti pukul duawelasbeurang tanggal 14 Januari2014, 12 Rabiul Awal 1435 Hij -

riyah, meneran poé Salasa. Biasana tisakuliah Jawa barat umat islam ngaleutmuru Cirebon nyaksian Muludan. Étawé sanajan hujan ngecrek, banjir di-mana-mana ngeueum jalan-jalan jeungburuan gedong-gedong , tapi umat Islamanu ti isuk geus daratang ka Cirebon di-belaan ngariuhan di émper - émper toko,kucumut huhujanan, loba nu marawabudak. Muludan sakaligus dilangsung -keun di tilu karaton, Kasepuhan,Kanoman jeung Kaprabon. Kusababhujan taya raatna, upacara sakral Mulu-dan dilangsungkeun kapeutingnakeun.

Panjang JimatJeung Prof. Dr. Hajah Nina Lubis

noho nan ondangan ti karaton Kaprabon,diondang husus ku Ir. P. Hempi RajaKaprabon. MP. Sultan Kaprabon. Ngen-dong di hotel Penta jalan Tuparev Cire-bon, bareng jeung putra raja FakfakPapua, DR. HC. Tuti jeung tamu-tamuSultan anu sejena, umumna saderek -saderek prameswari Raden Ayu Garlika,sobat-sobat jeung kanca mitra. Prames -wari Den Ayu Likeu Garlika ngawakilanSultan medar hal ihwal katut pamaksu-dan digelarna acara sakral Maulud Nabi.Di karaton Kaprabon mah anu katilukalina Maulud Nabi téh saur Prameswari

Karaton Kaprabon anu dikepung kucai hujan, pinuh ku tatamu. Acara anudina rencana arék dibuka satengah dala-pan peuting téh, prungna mah kira pukul9-10 peuting, tapi cukup hidmat.Prameswari maca amanat Sultan, sababSultan ku anjeun mah pareng keur teudamang, kakara mulih titirah ti rumahSakit, rengsé prameswari maparinamanat, kakara dilangsungkeun run-tuyan upacara panjang jimat.

Palaksana upacara, maraké saragambodas-bodas, ti sareupna mula geus tata-har ngabaris bérés di karaton KaprabonLemah luwuk Cirebon.

Sabada geus aya aba-aba, bandérapusaka Dalung Damar Wayang dikawalku pasukan karaton nu maraké saragemgagah mimiti diarak kaluar ti karaton di-iringkeun ku barisan obor, najan hujanngecrek tapi obor taya nu pareum,saterusna disusul ku Santana wargijeung panghulu karaton, nu mingpinbarisan pangulu Besar. Diselang deui ku

obor, tukangeunana aya anu nanggeuybokor dieusian aér mawar Pasatan(Salawat) obor deui, tukangeunanaPenga geng Sultan Raja kaprabon, di-payungan ku payung kasultanan/ Raja,tukangeunana ngabring para sesepuhditeruskeun ku obor deui, ngabring parapangahulu karaton katut para santri, di-tuturkeun ku Sentana wargi, PanjangJimat dipayungan payung Sentanawargi, obor deui tukangeunana nunangeuy nasi wuduk jeung Tumpeng Je-neng, diselang deui ku Obor, tukangeun -ana sangu bodas ditanggeuydirung kupan kaén bodas. Gebur deuiobor, tukangeunana ngabring barisan tiSentana Wargi, Nayaka jeung ondangannu nyaksian hajatan Mulud di LanggarKaramat karaton Kaprabon ngiring upa -cara sakral Mauud Nabi MuhammadSAW.

Sacara turun tumurun miélingMaulud nabi Muhammad SAW jeungpanjang Jimat dipieling ku para ménak

Cirebon rundayan Sunan Gunung Jati.Di karaton Kaprabon taun ieu téh katilukalina ngalaksanakeun Maulud Nabi,saur Den Ayu, prameswari SultanKaprabon. Sabada Pangéran Arumanwapat 37 taun ka tukang, tara aya upa -cara panjang jimat di Kaprabon. Tapiahirna kaémut ku para pinisepuh yénkabiasan anu hadé nu lumangsung turuntumurun ti mimiti Sunan Gunung Jatikudu dihirupkeun deui. Nya tilu taun katukang kabiasaan karuhun nu diagung -keun ku umat Islam téh diawalan deui,tepi ka Mauludan ieu geus tilu kaliMauludan di Kaprabon. Biasana mah diKasepuhan wé jeung di Kanoman.

Kunon di Lemah luwuk?Karaton Kaprabon mémang

perenah na di Lemah Luwuk. Baheulanamah ieu téh pasantrén turta santrina ogépohara lobana daratang ti sakuliah JawaBarat, malah loba anu datang ti luarJawa Barat ogé. Diungkabkeun ku

Manglé 246248

Kanca mitra Sultan Kaprabon ibu Tuti putra raja Fakfak, papua (kenca)

IImplik Implik

Panjang Jimatdi Kaprabon Cirebon

Prameswari Garlika yén Pangéran Ratukagungan dua putra nyaéta Mertawijayajeung Kertawijaya atawa Pangéran Sam-sudin jeung Kertawijaya atawa PangéranBadridin. Pangéran Mertawijaya atawaPangéran Samsudin jadi Sultan Kase -puhan, ari Kertawijaya atawa PangéranBadridin jadi Sultan Kanoman. Kagu -ngan putra hiji nyaéta Pangéran RajaAdipati Karabon, Sang Pangéran téhputra ti prameswari. Kusabab prames -wari wapat, Raja Adipati Kaprabonngangkat deui prameswari. Nya ti dieutimbulna masalah téh, ilaharna hiji in-dung dimana baé, saha baé ogé tinangtubakal ngajurung putra sangkan nanjung,éta dicaritaeun ku prameswari KaprabonLikeu Garlika ka Mangle di karatonkaprabon sabada rengsé upacara panjangjimat. Prameswari anu ti ibuna terahGaluh téh binekas pinter nyarios turtangawasa kana sajarah Cirebon.

Kusabab aya masalah téa, sangkanhenteu kapapanjangan anu ngabengkah -keun kulawarga, ahirna Raja Adipatikarabon legowo, beresih manah, ahirnaanjeunna masrahkeun kalungguhan karaina sanajan anjeuna kungsi jeneng Sul-tan sapanjang 8 taun. Sabada masrah -keun kalungguhan, Sultan ngalih kaLemah Luwuk tug dugi ka kiwarirundayan ana linggih di Lemah Luwukanu diadegkeun ku Pangéran Raja nu

ditelah “ Sultan Pandita Kaprabon. Tijaman harita Lemah Luwuk jadi pusatpendidikan agama/ pasantren, lahana gébaheula mah lega, ayeuna mah dukdekheureut. Kusabab vokal ka Walanda, hakwaris tertutup, lahan ogé beuki hereut.Jaman Pangéran Raja Aruman, dibérédeui hak waris berkah perjuangan SangPangéran nu teuneung ludeung. SultanKaprabon anu ayeuna IR. P. Hempi Rajakaprabon. MP carogé prameswari Gar-lika generasi ka 10 ti Sultan AdipatiKaprabon, ti Pangéran Raja Aruman mahka 3.

Kumaha pait manisna jadiprameswari? Dicaritakeun ku Den AyuGarlika yén nu disawang ku luareunkaraton sarwa éndah téh tétéla dinangalaksanakeun kawajiban nanjeurkeundeui adat budaya jeung pakem karatonmah loba titatarajong jeung kasulitan.Nanjeurkeun ajén inajén kaménakan numéhméhan melempem saur Den AyuGarlika, Pangéran Aruman kantosnyebat keun “ Kaprabon hebat ”.

Sabada anjeunna wapat étika ajénbudayana ogé melempem, henteungéléhkeun, teu aya anu hadé jeunggoréng, moal asup tartet. Dipedar ku DenAyu Garlika saterusn, baheula mah ibunapar ménak, di bumi ogé disendal, ayeunamah sendalna dibuka. “Abdi mahreuwas” saur Den Ayu Kapan ieu téh dikaraton, naha sendalna dibuka? Kumahakudu ngarobahna? Tétéla Sultan(carogéna) ogé reuwaseun saurna téh.Lamun diwartosan kumaha, teu di-wartosan gé kumaha kénéh. Diajar tikaraton séjén, da Prameswari jeung Sul-tan sering silaturahmi ka karaton-kara-ton séjén, mémang bisa diajar atawa

ngabanding - banding. Tuh di Galuh mahkitu geuningan, tuh di Sumedang mahkitu, di Solo teu di karaton-karaton séjénogé kitu. Sultan mémang ngartoseun,duka nu séjéna mah saurna. Paling susahngarobah ajén inajén. Nurutkeunpraméswari mah fungsi karaton kudu di-mumulé dipiara jeung dipaké jadi adatistia dat warisan luluhur anu henteu bisadimomorekeun.

Walanda tipoporose metakeun upayahayang maéhan karakter. Mun aya anuprotes, pasti kaprabonan boh ti luar bohti jero. Di Priangan mangsa harita anakincu bupati, akteuna maké basa Wa-landa, di kaprabonan setatusna ku Wa-landa mah dianggap bumiputera, kapanhak-hakna ogé disajajarkeun. PerjuanganPangéran Aruman beurat. Tapi Walandaogé teu gampang nalukeunana. Perjua -ngan praméswari Kaprabon ogé diakucukup abot ménta kasabaran jeung ka-pangger. Kudu boga pandangan positipsaurna téh. Éta sababna Sultan sok diaja -kan saba nagara, néangan conto-contokumaha ari cara hirup ménak di lemburbatur. Kumaha peranan geureuha Bupatidi batur jeug sajabana. Nu kumaha anudisebut ajén pangabakti istri ka carogédikalangan karaton? Anu rék nikah kaSultan pasaratanana téh, kudu pinternyiksikan bawang ngepél jeung sasapu.

Terus arék iraha diajarna lamun nudisebut pangabaktina saperti kitu mah?Den Ayu Likeu beuki reuwas. Da dikaprabon mah lain kitu jeung lain étaanu disebut pangabakti téh, saurna.Likeu garlika ayeuna masih ngaduk-dukan S3 di unpad, kitu deui Sultankaprabon ngaduksukan S3 Sajarah diUnpad.*** HRS

49Manglé 2462

Sultan Kaprabon, prameswari sareng Prof.Hj.Nina Lubis.

Manglé 246250

BBalé Bandung

Tetela urang henteu saged lebahnyanghareupan banjir jeungmusibah sejenna. Padahal,

kajadian ana apan lain karek ayeuna,tapi geus ti bareto remen karandapan.Editorial koran Media Indonesia nalek,kunaon tina APBN henteu disadiakeundana gedena 5% mah keur ngungkulanbahla banjir sarta musibah sejenna?Apan mun kitu mah, dina datangnamusibah, moal beurat teuing ngung -kulan ana, kulantaran danana geusnyampak. Lian ti kitu, tetela lembagaBadan Penanggulangan Bencana ogegeuning tacan ngadeg di saban daerah.

Jelas, sakuduna hal bieu geus di-tataharkeun ti awalna. Lain wae musi-bah alam saperti banjir, urug, gunungbitu jeung sajabana, tapi musibahsejen na oge saperti krisis energi, pa -ngan, prahara sosial pulitik, budayajeung sajabana, sakuduna geus di-antisipasi jauh ti awalna atuh. Lebahdieu, ketak pamarentah jeung par-lemen pohara nangtukeunana.Sabener na, pamarentah ti mimititingkat puseur nepi ka daerah geus bogaBappenas ( Badan Perencanaan Pem-bangunan Nasional) jeung Bapeda(Badan Perencanaan Daerah) nu boga

pancen nataharkeun program pa-marentahan. Hanjakal, kagiatan dualembaga bieu kurang pada nalingakeunku urang sarerea. Urang karekngaributkeun naon wae sabada kaja-dian, tapi arang langka ngaroris proseskagiatanana, kaasup ti mimiti tahapnataharkeunana. Padahal, tangtu waeperlu kanyahoan nyambung henteunatahap nataharkeun jeung tahapngalaksanakeunana. Bisa jadi, prosesnataharkeun geus alus, tapi tetela hen-teu dilaksanakeun, atawa ngalaksana -keunana kurang hade.

KoordinasiTetela koordinasi pamarentahan po-

hara hengkerna. Ngungkulan musibahbanjir upamana , apan garapan antarpamarentah,lain garapan lembagapamaren tah sewang-sewangan. Tah,lebah dieu katohyan, pohara hengkernageuning. Jelasna, teu aya sinergi antaraBappenas/Bapeda, kamenterian,pamaren tah propinsi, kabupaten jeungkota. Da mun aya koordinasi nu hademah tangtu musibah moal remen teu-ing kajadian, komo bari jeung kateterdeuih lebah ngungkulanana.

Nya, lebah dieu perluna pamarentahnu kuat bari jeung boga kapaming-pinan nu visioner teh. Lain pamarenta-han nu hengker kawas ayeuna barijeung pondok lengkah sarta kurangawas deuih. Jelas, sistem pamarentahandemokrasi kawas ayeuna perlusalawasna dibeuweung -diutahkeundeui. Pangpangna perlu diroris lebahepektipitasna. Leuwih jauh ti kitu,tangtu wae pamustunganana mahguman tung kana ajen manusa-manu-sana. Sistem nu otoriter oge aridilaksana keun ku manusa-manusa nuboga kamampuh mah kawas di Cinaatawa Singapur, geuning kaala mang-paatna. Nya mubah sistem demokrasioge ari dilarapkeun ku kaom pulitisiurang kawas ayeuna mah. Matak ulah

heran mun aya nu nineung ka pamaren -tahan jaman Orde Baru oge, atawajumlah golongan putih ngaronjat, ku-lantaran kwalitas manusa-manusa nungajalankeun pamarentahan ayeunasakitu handapna.

Deukeut jeung MasarakatTetela masarakat nu katiban musi-

bah pohara miharepna pitulung ti pa-marentah nu diwakilan ku parapamingpinna. Jelas, hal kitu tembongbasa SBY jeung Ibu Ani neang nu kati-ban musibah bituna gunung Sinabungdi tanah Karo, Sumatera Kaler. Sidik etateh nembongkeun pohara perlunahadirna pamingpin nu deukeut jeungmasarakat. Samemehna, memang parapamingpin urang jauh ti masarakat.Ironis, pamarentahan urang ngalarap-keun sistem demokrasi, tapi parapaming pinna feodal keneh. Ngamenak,jauh ti masarakat bari jeung kurang ka-mampuh deuih.

Potret PamarentahanSalila potret pamarentahan nagara

urang kawas nu ditataan bieu, wah, nyabakal remen wae atuh musibah karan-dapan ku urang sarerea. Lain wae musi-bah pisik (banjir, gunung bitu, urug)tapi musibah non pisik deuih( kamiski-nan, kabodoan, pacogregan sosial jeungsajabana). Coba geura, geus ti baretomula Taufik Ismail netelakeun, poharaperluna muguhkeun sabaraha jumlahbuku nu wajib dibaca ku para siswasakola. Hal kitu geus dilarapkeun diAmerika Serikat, Jepang jeung nagarasejenna. Tapi, anehna, para siswasakola di nagara urang mah diantep waeteu dibere kawajiban maca buku sapertikitu. Atuh nu leuwih aneh deui, kunaonPresiden SBY henteu ngagebrag mejatuluy nyelukan Menteri PendidikanMoh.Nuh, supaya geuwat ngalak-sanakeun hal bieu di sakuliah nagaraurang?***Karno Kartadibrata.

Musibah

51Manglé 2462

Rafka Hasna Pratama Haaaaaayyyy.....! tepang deui geuning. Tipayun kantos midang dina Anaking,

ayeuna hoyong nyobian janten cover, ah! Nepangkeun heula, nami lengkepna Rafka Hasna

Pratama. Putra Bapa Érvin Hasanudin sareng Ibu Depi Ratnasari ieu yuswana nembé 5 sasih.

Rafka anu cita-citana palay janten pengusaha téh, bumina di Jl. Sukagenah RT. 01/RW. 19,

Kel. Nagarasari, Kec. Cipedes, Kota Tasikmalaya. Ngintun salam kanggo sadaya

sobat Manglé Alit.

Manglé 246252

SDN Buara 04 anu pernahnadi Kacamatan KetanggunganKabupaten Brebes provinsi

Jawa Tengah ieu téh memang teuilahar saperti sakola dasar di JawaTengah, ieu SD Buara 04 téh makebasa Sunda henteu ngan saukurditerapkeun dina Mulok atawaMua tan lokal waé tapi basa Sundatéh dipake jadi basa panganteur diieu sakola. Aya dalapan kacamatananu Mulok atawa muatan lokal disakolana basa Jawa diganti ku basaSunda.

"Ti 17 kacamatan anu aya diKabupaten Brebes, 8 kacamatanngangge basa Sunda minangka

basa indung. 8 Kacamatan ieu téhdiantawisna; Kec. Losari, Kec.Tanjung, Kec. Banjarharja, Kec.Kersana, Kec. Ketanggungan, Kec.Larangan, Kec. Salem, dan Kec.Bantarkawung. Éta téh jantenmoti vasi sim kuring dinangajar -keun basa Sunda ka para siswa,sarengna deui ngamumule budayaSunda téh sanes mung saukurdina pangajaran basa Sunda waétapi kasenian sareng budayanaoge diwanohkeun," ceuk Distamreueus.

Ku katigin ieu kepala sakolaBuara 04 teh basa Sunda bisadiajar keun di Kacamatan Ketang-

gungan, Brebes nu anggotamasarakatna oge maké basa Sundadina kahirupan sapopoéna.

Memang pasualan dipakenabasa Sunda jadi basa panganteurjeung Mulok di sakola dasar anusabenerna aya dina ‘kakawasaan’pamarentah Jawa Tengah ieu téhmasih keneh diadurenyomkeun ditingkat provinsi jeung kabupaten.Tapi ku kayakinan jeung keyengnapara guru merjoangkeun dirojongku UPTD jeung Kepala Dinas Pen-didikan kab. Brebes sangkan basaSunda bisa dilarapkeun di sakoladasar ahirna bisa disaluyuan oge.

“Sahenteuna di SD heula baepangajaran basa Sunda téhdilarap keun, kanggo SMP sarengSMA na mah da waktos abdi ogetipengker pangajaran basa mahngangge Jawa tapi sanes hartosnaurang janten ngaleungitkeun basaindung” ceuk Distam.

Lian ti nerapkeun pangajaranbasa Sunda minangka ngajagasangkan ‘Sunda’ ulah nepi ka tilemdi ieu lembur anu meh sakabehmasarakatna urang Sunda, di SDNBuara 04 anu mangrupa SD Inpresmunggaran taun 1974 téh ayapanga jaran ekstrakulikulerKarawitan Sunda. “Malih mahayeu na nuju tatahar bade di-ayakeun Penca Silat sareng TariSunda, mung anu masih keneh jan-ten emutan téh tanaga pangajarnanu teu acan aya” pokna.

Ngaliwatan dunya atikan ieupara guru di dalapan kacamatankabupaten Brebes miara jeung nga-mumule basa Sunda jeungkasenian ana..***

(AS)

TTi Sakola ka Sakola

SDN Buara 04 Ketanggungan – Brebes;

Ngamumule Budaya SundaNgaliwatan Dunya Atikan

Rengrengan Guru SDN Buara 04 Ketanggungan, ti kenca ka katuhu: Distam, Wahadi,Harudin, Trismawan, Rullyawan Budiono, Lina Haerunnisa, Tati Sumiati, Cahya Sumirat.

53Manglé 2462

Lamun euweuh Mang Utar, raiindung kuring nu bungsu,jiga na bakal loba kahayang

kuring nu moal kaanteur. Geuspuguh soal ngaloloskeun kuring tiimah, sangkan kuring bisa méngbaldi lapang deukeut imah mah, lain

pagawéan bangga pikeun MangUtar. Éta geura ari geus ngangan-teur kuring, maling-maling munkabeneran Okaasan keur angkat-angkatan, ulin ka tempat-tempatnu ku Okaasan mah dipahingpisan. Kayaning ngapungkeunlanglayangan di pasir, ngalajangkrik di sawah, tataékan kanatangkal limus deukeut lapang, ngo-jay di walungan jeung sarupaningkaulinan nu arang langka kapang-gih di sakola kuring.

Sedengkeun Okaasan, dukaatuh mana galak-galak teuing kakuring téh. Ulin kaditu-kadieu teumeunang, iwal ti ka imah babatu-ran sasakola. Padahal apanOkaasan téh ti aalit linggihna téh dilembur ieu. Lembur nu anggangnati puseur dayeuh kurang leuwihsajam lalampahan tumpak mobil,lamun teu macét. Malah ceuk Ninimah, nuju alitna Okaasan ogé osokameng ka pasir nu ayeuna biasa di-paké ngapungkeun langlayanganku kuring sabatur-batur téh. Béda -na, Okaasan mah karesepna téhmetikan rupa-rupa kekembangan.Balikna sok dibeungkeut, dialus-alus minangka hadiah keur Nini.Malah ceuk Aki mah, Okaasan téhngojay di walungan ogé osok.

Komo baheula mah cenah caiwalungan téh canémbrang hérang,teu cara ayeuna. Tapi najan ayeunacaina kiruh ogé, da kuring mahkeukeuh wé sok hayang ngageje-bur, kabita ku Pépép sabatur-batur. Najan ari mimiti mah sok

rada asa-asa rék ngojay téh, tapilila-lila mah geuning resep wé.Rarasaan téh leuwih resep batankekeceburan di kolam renangsakola. Enya, ari legana mah legakolam renang sakola téh, jabacaina beresih. Tapi da asa bosen wéatuh, monoton wé asa kekecebukandina jolang pasagi gedé. Teuraména téh deuih, taya acara luak-léok jiga di walungan. Jaba caiwalungan mah semu bau taneuh,kuring mah resep, asa segerngambeu na ogé. Teu bau kaporitjiga kolam renang sakola.

Untungna, sarua jeung MangUtar, Nini jeung Aki anu buminatukangeun imah kuring téh tarananaon lamun kuring ulin, campurjeung babaturan anu saur Okaasanmah “budak kampung”. Padahal

ari ceuk kuring mah naon bédanakuring jeung maranéhanana. Ah,dasar wé Okaasan mah sok anéh-anéh waé.

Di antara budak kampung téa,kuring nyobat pisan téh jeungPépép. Resep kuring mah ka Si Étatéh. Bapana, tukang kulub jagongnu biasa mangkal di péngkolan.Indung na tukang rujak cuka nu soknagog di saung leutik sisi jalangedé, teu jauh ti imah kuring.Lamun tas méngbal, kuring soknyim pang heula ka imah Pépép,ngadon meresihan awak jeungganti baju. Komo lamun lapangnajareblog urut hujan mah, kuringsok mandi di imah Pépép. Resepdeui waé mandi di imah Pépépmah. Caina meunang ngadadaknimba ti sumur nu sok cekat-cekitkérékanana, sakapeung sok asamatak linu ngadéngéna.

“Aduh...Cép Obu, sok kadieu kuBibi urang pangnimbakeun.Hawatos bilih teu biasa. Kumahateuing upami tuang Ibu uningaeun,Encép bet nimba sakantenankanggo pun anak sagala,” ceukemana Pépép basa mimiti pisankuring nimba di bumina.

“Wios wé, resep. Sakantenan,”ceuk kuring. Lila-lila mah lamunkuring ngadekul nimba, Bi Aas téhtara keresaeun garah-geureuh.Boseneun meureun, da sabandigeung geureuhkeun, saban di-wios-wios ku kuring.

Sabalikna lamun pareng diimah Okaasan nuju angkat, Pépépku kuring sok diajak ulin ka imah.Lamun apaleun Okaasan teu ayamah, Pépép sok daekkeun. Padahalku kuring ogé sok dititah, lamunhayang ulin mah iraha baé ogédatang baé.

“Embung ah, éra ku Ibu,” pada-hal mah boa Okaasan ogé moalnanaon ulin mah. kapan réréncan-gan anjeunna ogé, rék urangJepang rék urang Indonesia, min-deng abreng-abrengan aramengkadieu.***(Hanca)

CCarpon Alit

Si Obu (2)Ku Téh Narti

“Aduh...Cép Obu, sokkadieu ku Bibi urang pang-nimbakeun. Hawatos bilihteu biasa. Kumaha teuingupami tuang Ibu uninga -eun, Encép bet nimbasakantenan kanggo punanak sagala,”

Manglé 246254

PPangajaranBasaSunda

Latihan Ulangan

1. Judul biasana sok ditulis..........dina hiji bacaan.

a. pangluhurnab. panglobanac. pangkandelnad. pangalusna

2. Lamun urang dititah “maca dinajero haté”, hartina.........

a. ulah dibacab. dibaca, tapi teu maké sorac. dibaca, bari sorana tarikd. macana gegerenyeman

3. Kaulinan barudak jaman ba-heula, nyaéta… ………

a. ucing sumputb. maén pé-ésc. maén gimd. mario pokét

4. Kaulinan barudak jaman kiwari,nyaéta…………

a. maén pé-esb. gatrikc. ucing sumputd. dom-doman

5. Lamun urang datang kudungucap keun ……….

a. sampurasunb. rampés

c. manggad. pamit

6. Lemesna irung nyaéta…………a. damisb. taarc. pangambungd. angkéng

7. Cepil mangrupa lemesna tina…a. leungeunb. sukuc. ceulid. irung

8. Lamun keyeng, tangtu……….a. barengb. parengc. sarengd. nyureng

9. “Internét” mangrupa kecap anukaasup kana istilah………..

a. kaséhatanb. kasenianc. téknologid. sajarah

10.“Demam berdarah” mangrupakecap anu kaasup kana istilah…

a. téknologib. kaséhatanc. sajarahd. tatanén

11. “Kuda rénggong” mangrupakecap anu kaasup kana istilah……

a. olah ragab. kasenianc. kaséhatand. sajarah

12. Budak leutik bisa ngapung,babakuna ngapungna……..

a. lilab. luhurc. tarikd. peuting

13. Nguriling kakalayangan, néa -ngan

a. nu amis-amisb. nu ditéanganc. indung bapanad. babaturanana

14. Kecap “seuseuh” bisa robah sora -na jadi………

a. ngeuseuhb. meuseuhc. nyeuseuhd. ngaseuseuh

15. Kecap “balik” bisa robah soranajadi……………

a. nyalikb. palikc. ngabalikd. malik

Diajar Basa Sunda Kelas VKu Nila Karyani, S.Pd

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilap

ditémpélan kupon UTY No. 1247. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya

No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.

Jawaban UTY No. 1244

Nu leres : Buku Rapot/Laporan Pendidikan

Nu kénging hadiahna:

1.Deni Andrian Jl.Warung Jambu No.5A Kiaracondong Bandung

2.Kanza Navisa Jl. Pelindung Hewan No.19 Bandung

3. Annisa Wulandari Jl. Hanjuang 23 Garut

Urang Teguh Yu!Dibabawa ka mamanaKoling-koling SMSan.

Naon cing?

(Adri-Bandung)

55Manglé 2462

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Kaciri4. Tanda tangan pondok7. Hal anu teu/can katepi ku akal8. Mahluk laut9. Sadar10. Ahli tapa13. Ngaran duit nagara urang baheula15. Badan Narkotika Nasional16. Nuju ka tempat handap17. Panjara18. Waktu solat19. Carita23. Ahli agama Islam25. Nu ngadalikeun kuda balap27. Mahi ku saeutik28. Bubuk29. Buuk nu kabaseuhan

KA HANDAP:1. Pantes2. Carita anu ngandung unsur sajarah3. Pausahaan penerbangan4. Parabot paragi nyieun hiji hal supayangawangun 90 darajat5. Dipikasieun ku nu dagang6. Kaulinan barudak baheula8. Wadah tatangkalan11. Indung kolot urang12. Ngaran bulan

14. Poé anu rék disorang15. Akibat16. Kalakuan20. Dulur sahandapeun21. Istilah dina hukum22. Pangéling-ngéling ka nu maot saratuspoé24. Nabi munggaran

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1428. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lo-daya 19 Bandung 40262 paling leuir duaminggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1426:

1. Riksa SundaraSoreangKabupaten Bandung

2. Tantri Siti RohimahKmp. Haur Koneng RT 03/04Garut

3. RuhimatJalan Tawangsari 42/87Tasikmalaya

1428K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1426

Manglé 246256

LLempa Lempi Lempong

“Réa pisan ayeuna mah, Lo.”“Naon anu réa téh, Mang?’“Cénel télévisi, Lo.”“Enya, Mang. Kari milih

hayang milih acara naon atawapida ngan naon baé téh. Karimencét tombol rémot.”

“Enya, kuduna mah kitu.”“Har, na maké aya kecap

kuduna mah kitu, Mang?”“Sok sanajan sanajan cénelna

réa, acarana mah réa nu saruaatawa méh sarua. Kitu-kitu kénéh.Komo pidangan pilem mah. Étakénéh-éta kénéh.”

“Teu kaur atu da, Mang.”“Teu kaur kumaha, Lo?” “Teu kaur aya pidangan anu

alus rétingna, tuluy pada nuru-tan.”

“Da kitu sipatna tv swastamah, Lo. Nganomerhijikeun bis-nis. Aspék atikan pikeun

masarakat mah teuing nomersabaraha puluh.”

“Nu diudag ukur réting nya,Mang?”

“Enya. Sok sanajan aya hiji-dua pidangan télévisi anuberkualitas.”

“Beu.”“Dina sakitu réana pidangan

hiburan télévisi swasta anu mopo-hokeun atikan ka masarakat,masih kénéh aya TVRI anu satiamidangkeun tayangan nu mang-paat keur masarakat.”

“Komo keur masarakat dipilemburan mah, Mang. Teuweléh nganti-nganti pidanganngeunaan padésaan atawa pang-wangunan di padésaan.”

“Bener, Lo.”“Hanjakal, Mang.”“Hanjakal kurang payu, Lo?”“Lain, Mang.”

“Ari kitu?”“Kiwari TVRI keur oléng, ala-

tan para gégédénna pabéntarpaham. Hal sarupa kitu éstungancam kalumangsungsan pi-dangan TVRI, Mang.”

“Enya, Lo. Geus ngadéngé Ma-mang gé perkara éta mah.”

“Muga-muga TVRI téhsagancang na bérés roés deui,Mang. Ulah nepi ka kolaps atawapalastra.”

“Amin.”“Muga-muga TVRI bisa

midang keun deui pidangan anumangpaat keur masarakat,Mang.”

“Amin. Pangpangna TVRIJabar, Lo, muga-muga bisamidang keun deui budaya Sundasacara gembleng.”

“Bener, Lo. Kapan taun-taunkamari mah TVRI Jabar téh kawi -lang gedé perhatianana kana bu-daya Sunda. Malah kapanawak-awak Manglé ogé remen mi-dang di TVRI Jabar.”

“Muga-muga baé, Mang.”“Muga-muga kumaha, Lo?”“Muga-muga baé ka hareup

mah Manglé bisa diondang deuika TVRI, pikeun nepikeun visiSunda jeung Kasundaan dinakaca mata Nyi Manglé.”

“Amin.”“Sing leuwih teleb aminna,

Mang.”“Amin.”***

TVRI