Mitra Sunda WA - Mangle 2437

57

description

Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Transcript of Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Page 1: Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Page 2: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Para Mitra,Bulan Romadon, bulan anu mulya geus ngantunkeun

urang sadayana. Teu aya nu terang anging Gusti Alloh nuMaha Suci, naha urang bakal nincak deui bulan puasa taunpayun atanapi henteu.

Margi bulan puasa téh bulan ujian, bulan at-tarbiyahbulan pendidikan, atuh urang ayeuna kantun ngabuktos -keun hasilna. Margi ibadah puasa di payuneun Gusti Allohtéh ngan nga muara kana dua niléy. Kahiji ibadah puasa numaqbul, kadua ibadah puasa anu mardud. Ibadah puasa anumaqbul tegesna di tampi ku Alloh, bari cirina sanggup mérétapak nu hadé dina kahirupan sapopoé saréngsé ngalaksana -keun puasa. Kadua, ibadah puasa anu mardud nyaéta ibadahpuasa anu sah ceuk élmu syaré’at tapi di tolak ku Alloh. Ciri -na puasa nu mardud saréngsé ngalaksanakeun éta ibadahteu méré tapak nanaon nu hadé dina kahirupanana sabadapuasa. Margi kitu, sangkan ibadah puasa lebet kana Maqbul,nu ditampi Alloh Swt., mangga urang buktoskeun istiqomahdina rupa-rupa ibadah. Henteu sabalikna. Tadina ahli ibadahjadi balik deui ngalampahkeun haram jadah. Masjid ramé

jadi suwung deui. Dina bulan puasa resep barang béré, éréppuasa jadi koret jap jahé jeung sajabana. Tah, ieu nu kuurang kedah mampuh dipahing mah.

Para Mitra,Lian ti istiqomah dina rupa-rupa ibadah, ogé mampuh

ngajagi hubungan hadé sareng papada manusa. Nu kamariwaktu lebaran geus silih hampura, sakedahna kedah diteras -keun ku mageuhkeun silih mikanyaah, silih asah, silih asih,silih asuh téa. Malihan tiasa ogé dugi ka silih beungharkeun,silih ngaraharjakeun. Komo deui, upama ngaregepkeun kanakekecapan; nu jauh urang deukeutkeun, geus deukeut uranglayeutkeun geus layeut urang paheutkeun, geus paheutsilih-wangikeun. Ieu kekecapan kacida mulyana, ngandunghartos keur ngajurung urang sangkan migawé rupa-rupaibadah téh kedah istiqomah sareng tiasa nambih-nambih ka-hadéan atanapi ziyadatul khoer. Naha urang tiasa? Margiurang Sunda mah dalit pisan jeung Islam, nya kantenankedah tiasa. Mudah-mudahan.

***

Lampah Sabada Silih Hampura

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

BAHASAN

Agustusan di Lembur Kuring

Endan Sukanda

........................................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Jurig Beungkeut Tilu

Emha Ubaidillah ............................ 24

SAJAK

Dina Angkot

Ibnu Hijar Apandi ............................. 5

Sandékala

Nazarudin Azhar ............................. 42

UNAK-ANIK

Tukang Ngamaklun Kantong

Taya Panghasilan Tambahan

......................................................... 46

CARITA PONDOK

Asa Lebaran Munggaran

Aam Amilia ....................................... 17

Nu teu Mulang Tas Lebaran

Ena Rs. ............................................. 22

Dulag Pamungkas

Holisoh ME .......................................... 26

Di Hiji Kantor

Lugiena De ........................................... 32

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Katumbiri .......................................... 37

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem ( 168 )

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora ( 7 )

M.A. Salmun

............................................................. 12

­Sekar­Manglé

Nuri Maulida

Raksukan Koleksi Pribadi

6LAPORAN

Galindeng És Lilin di Nagara Babah

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Baju lungsuran bawa Euceu ngalumbrukdina luhureun samak. Rupa-rupa, ayaerok, kaméja, calana panjang, calana

sontog, ka kamprét kampret aya. Éta kabéh téh bawa Euceu, pamérédunungan Euceu di dayeuh. Bagéur

cenah dunungan Euceu téh, mana ning..

20

Dulag Pamungkas

Page 4: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

68 Taun

Salila 3,5 abad dijajah ku Wa-landa (jeung Jepang) leuweungdi Sumatra weuteuh, di Kali-

mantan weuteuh, di Sulawesi jeungPapua nya kitu deui leuweung-leuwe-ungna tetep gerotan. Tapi salila 68taun merdéka éta leuweung anu tadi -na geledegan téh geus salin jinis jaditanah anu ngahgar.

Naha bisa saperti kitu di -papandékeunana lamun arék balitu -ngan salila urang 68 taun merdékatéh? Tangtu teu bisa ngan semet kitu.Jakarta ayeuna geus jauh bédanajeung Batavia harita. Kitu deuikaayaan di Sumatra, Kalimantanjeung di sakuliah nagara séjénna.Ngan bakal leuwih matak reueuslamun majuna kaayaan di sakuliahlemah cai téh henteu ditebus kuruksak na lingkungan.

Geus kurang kumaha anu ngiritikmah. Pamaréntahan anu dipingpingku Presiden Yudhoyono ayeuna di-tuding néoliberal. Ari anu néolib dimana teuing maké balitungan kanaurusan nu kararitu. Malah apankaraharja an rayat gé dinomer -sabarahakeun. Nu jadi udagananasemet nu ngaranna tingkatpertumbu han ékonomi anu taya pa -tu la-patalina jeung nedunansakumna pangabutuh rayat bari teudiiwal-iwal.

Ari di urang apan geus sakitulilana ngawilah-wilah warga nagaranasorangan téh kalah dihanakeun kupamaréntah. Rupaning istilah nga-haja dijieun-jieun. Rayat baé apankalawan tandes aya anu digolongkeunmiskin sarta ku pamaréntah siga anungahaja disina aya. Dina APBNkalawan pasti aya anggaran pikeun

mantuan anu mariskin. Nepi ka ayaanu nuding pajar rayat nu miskin téhgeus jadi komoditi pulitik. Cindeknamah keur kapentingan pencitraan.

Di sagigireun ngadagangkeuntingkat pertumbuhan ékonomi, anukeur hangkeut ditatawarkeun ayeunatéh démokratisasi jeung hak azasimanusia. Padahal teu kurang-kurangparaahli anu ngingetan yén nyang-hareupan nu kararitu téh urangnakudu taki-taki jeung ati-ati. Taki-takidina nyanghareupan akibatna, bariati-ati dina lebah nerapkeunana.

Sanajan sistem pamaréntahananu démokratis ampir jadi cita-citasakumna manusa di sakuliah dunya,lain hartina taya mamalana. Pikeunaga ra-nagara anu geus puluhantaun mraktékkeun sistem démokrasi,apan henteu sarimbag. Démokrasi nuhirup di AS béda jeung nu di-jalankeun di Inggris. Kitu deuidémokrasi di nagara-nagara Skandi-navia. Lamun dadasarna démokrasisok dikantét keun jeung liberalisasi, dijojontor Skandinavia mah nu di-jalankeunana téh justru sosialis. ASsorangan, anu geus puluhan taunngagung-ngagung keun liberalisasi,ayeuna keur maju ngadeukeutansosialis. Pangna kitu, lantaran geuskabuktian sistem liberal téh teu ku-rang-kurang mamalana.

Ti mimiti merdéka, urang geusmecak-mecak sababaraha sistem.Dina mangsa-mangsa awal nudiprakték keun téh sistem liberal. Tapilantaran loba teuing debat nepi kamangtaun-taun, ahirna ditutup kuDékrit Presidén dina taun 1958. Tiharita ni dipaké téh sistem terpimpin.Ékonomi terpimpin, pulitik ter-

pimpin, anu ahirna tikusruk kanaotoritér. Lantaran keuheul kana sis-tem nu saméméhna, Orde Baru sigaanu kokomoan nerapkeun liberali -sasi, sanajan henteu terang-terangan.

Sikep pamaréntah anu semu-semu nyamuni téh terus lumangsungnepi ka kiwari. Lain pamaréntahwungkul deuih anu kitu téh, ieu mahkaasup sikep partéy pulitik, anu eng -kéna nyoko kana kawijakan par-lemen, anu di urang mah éstu ngannganomerhijikeun kapentinganparpol na masing-masing. Nu keurkaalaman ayeuna téh suasananasaperti kitu.

Dina nyanghareupan néolibupama na, ongkoh loba anu ngiritik,tapi taya hiji gé anu wani nga-songkeun sistem séjén anu papaling-pang jeung néolib tapi ayakapercayaan bakal leuwih alus. Dinapatalina jeung pamaréntaha Yudho -yono upamana, sanajan PDIP milihjadi oposisi tapi sikepna téh ngansemet henteu miluan kana kabinét. Diluareun éta mah henteu nepi kangasong keun alternatif.

Anu pantes jadi oposisi téh saben-erna parpol-parpol Islam. Kitu soté-nan lamun bener maranéhanana ayakarep anu daria hayang némbong -keun prinsip-prinsip Islam dinaenggo ning ngokolakeun pamarénta-han. Apan cenah, boh dina widangékonomi boh dina urusan pulitik,prinsip-prinsip Islam téh henteu sa-jalan jeung néolib.

Sanggeus 68 taun merdéka,meujeuh na lamun soal-soal kitu téhdipikiran kalawan daria, babakuna kuanu salila ieu kokotak harayang ming-pin ieu nagara. AM

Manglé 2437 3

Page 5: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

4 Manglé 2437

Henteu cukup silihhampura

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Damang Ais PangampihMangle? Wilujeng boboransiam 1434 H. Neda dihapun-ten, boh kantos ngintun seratnu kirang merenah kana koro -pak Mangle.

Nyi Mangle, ngiring nge-mutan perkawis kabiasaanhalal bihalal di urang. Nukasaksian dina acara halal bi-halal teh, boh ku paguyubanboh di lingkungan pamarenta-han, dina intina mah sok di-ayakeun silih hampura. Toskitu mah balubar we.

Tah, simkuring mah usulka wargi dimana wae, utama -na ka para inohong, mugihalal bihalal henteu cukup kusilih hampura. Tapi aya nuleuwih sae deui upami diteras -keun silih tulungan. Antara nubeunghar jeung nu miskin, nu

sukses jeung nu teu sukses.Nyaeta kedah aya acara silihtulungan silih bantu. Jiganalangkung sae, langkung a -geung maslahatna.

Sapertosna wae, di halalbihalal di Paguyuban Pasun-dan, sae kacida pami ngulemmitra-mitrana atanapi barayaSunda nu peryogi bantosan.Apanan, geuning seueurkeneh wargi-wargi urang nuperyogi bantosan. Sapertinawae ka lembaga nu sami-samingiring ngamumule budayaSunda, tapi teu walakaya dinasual karahajaananana.

Sakitu hatur nuhun. Sakalideui neda dihapunten. Per-caya lah ka Mangle mah,sakumaha beuratna nga -mumule budaya jeung basaSunda, tapi geuning anggermedal nepangan barayaSunda di mana wae ayana.Nuhun.

Pun Emang DjadjaTi Majalaya Bandung

Page 6: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Ibnu Hijar Apandi

Dina Angkot

/1/

Pacaket tapi teu ngobrol,

Papayun-payun bet teu imut,

Boa manah mah galecok,

Teu sawios,

Urang silih paok wae teuteup,

Da kapan benten tujuan

Unggah henteu sasarengan

/2/

Nyemprung mobil jeung lamunan

Sapikiran sapikiran

Satujuan sewang-sewang

Eureun deui laju deui

Jrat jrut panumpang turun

Nu nyesa kari duaan

/3/

Anteng bangun sapikiran

Tambah pogot ku galecok

Maling tempo beuki nyoso

Hanjakal bet teu werat pok

Pada kemba ku carita

nyidem dina jero angen

/4/

Reg, mobil ngarandeg

Batur catur na lamunan lungsur

Sapaneuteup ngilu turun

Dianteur ku juru panon

Parat jajap ka sisi jalan

/5/

Lenyap manah nu jajap

Nu lungsur bet ngantun rindat

Sakiceup diadu teuteup

Hanjakal ngan sajorelat

Januari 2010

Manglé 2437 5

Page 7: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Lagu És Lilin kaasup lagu titatar Priangan anu réa dipi-gandrung ku salian ti urang

Sunda. Lagu és lilin ogé geusngagederkeun masarakat dunyadina “Festival Of Intangtible Cul-ture Heritage” (FICH) nu lumang-sung di Chengdu, China,sababaraha waktu nu kalarung.

6

Lilis Maryati ngahaleungkeun lagu És Lilin & Mojang Priangan di Chengdu, Cina (dok)

Galindeng És Lilindi Nagara Babah

Asistén Ékonomi Pembangunan,Sétda Kabupatén Bandung, Yayan

Sobarna milu midang dina ram-pak kendang (dok)

Page 8: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 7

Éta lagu geus mampuh nyedot per-hatian panongton FICH. Salian tilagu És Lilin, lagu Mojang Pria -ngan ogé dihaleuangkeun ku jurukawih Lilis Maryati, S.Pd.

“Panongton féstival waktosnguping lagu És Lilin sareng mo-jang priangan téh, mani antusiaspisan. Sanaos teu ngartos kanarumpakana, tapi nguping wirahmalaguna aranjeuna saperos nukahibur. Da éta baé saréngsénalagu dihaleuangkeun, nu keprokdugi ka éak-éakan,” ceuk KasieKabudayaan, Dinas Pendidikan &Kebudayaan Kabupaten Bandung,Lilis Maryati, S.Pd waktu tepungjeung Manglé, sawatara waktu nukaliwat di Soréang.

Salian ti lagu És Lilin jeung Mo-

jang Priangan, dina éta féstival nudiluluguan ku PBB téh, Indonésiaogé mintonkeun rampak kendangjeung tari tradisional, jaipongan.Saluyu jeung katangtuan ti pihakpanitia FICH, alat musik nu di-paké salian tradisional ogé wajibdiadumaniskeun jeung alat musikanu modéren.

Harita, Kabupatén Bandunganu ngawakilan Indonésia mawa

angklung, nu dijejeran ku grupmusik Komstrad – Indonesia,“Bamboo Ensamble”. Alat musiktina awi téh diadumaniskeun jeungtarompét, hitar sarta alat musikmodéren lianna. Tina ratusankabupatén jeung kota sa- Indo -nésia, nu kapilih pikeun jadi“duta” dina FICH téh ukur Kabu-patén Bandung.

“Malih sa-Asia Tenggara mahmung ukur diwakilan ku dua na-gara, nyaéta Indonésia sareng Tai-land. Dina éta féstival nulumangsung salami sapuluh dintentéh, sakedikna kacatet aya dalapanwelas nagara anu midang, diantara na Amérika Serikat, Cinaminangka pribumina, Indonésia,Tailand, Brazil, Jérman, Afrika,Rusia, Nigéria, sareng Jérman,”

Lilis ngémbohan.

Rombongan Indonésia diping-pin ku Sékda Kabupatén Ban-dung, Sofyan Nataprawira,dibarengan ku Asistén ÉkonomiPembangungan, Sétda Kab.Ban-dung, Yayan Sobarna; SékrétarisDinas Pendidikan & KebudayaanKabupatén Bandung, Agus Fir-man Zaini; jeung KabidKebudaya an, Mieke Herawaty.

Harita ceuk Lilis, Indonésia meu-nang kasempetan genep kali mi-dang dina panggung nu tempatnabéda-béda.

“Pokona mah agul sarengreueus pisan, unggal midang antu-sias ti nu lalajo saé pisan,” poknadeui.

Papadaning kitu, ceuk Lilis, di-rina ngarasa sirik waktu nyaksianmasarakat Cina anu sadar kanadisiplin. Salian ti mampuh ngajagalingkungan kotana sangkan tetepberesih téh, ogé salila lumang-sungna féstival kaayaan tetepaman. Malah masarakat anu lalajoFICH bisa ngajaga katartiban,buktina teu aya saurang ogé nungaliwatan garis wates antara nulalajo jeung panggung. Padahal

batas téh, ukur dihalangan ku bolanu ditalikeun kana tihang.

Hal séjén nu matak kataji dinagri Babah, gedong kaseniananasalian ti anggréng téh ogé kapiarapisan.

“Sigana mah pamarétahan Cinamerhatoskeun pisan kana hirup-huripna kasenian daérah,”pokna.***nunk-dédé

Pintonan seni ti nagara séjén (nét)Cina daria naker ngagelar FICH (nét)

Page 9: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 24378

Geus matuh tempat diaya -keunana upacara resmi mahdi alun-alun, tapi ari arak-

arakanana mah sok mapay-mapayjalan raya Kacamatan. Tapi, arialeutan pawéy ti lembur kuringmah sapanjang jalan ka-kaca-matan-keun ogé geus dilalajoanan.Masarakat ngarogrog sapanjangjalan, atuh sabataé sakur ka-monésan téa lain waé dipintonkeundi alun-alun, da geus ningkah disapanjang jalan anu kaliwatan.

Geura ieuh di handap urangcarita keun diantara unak-anikpésta Agustusan di lembur kuring.Aya nu matak piseurieun, pikaru -nyaeun, matak réhé jeung aya ogénu matak pikasebeleun.

Sanggeus bérés upacara resmi,sok diayakeun pawéy. Ti unggaldésa anu diraramekeun ku ka-monésan ti lembur2 mungpung kadayeuh kacamatan, mintonkeunsagala kamonésan séwang-séwa -ngan. Upamana ti Pasir Panjanganu katelah “lembur haji”ngaleutkeun aleutan para haji makédangdanan kahajian, gamis pan-jang bari sirah ditutup ku kopéahhigal kawas askar di Arab. Ari tiPasir Gombong anu pangeusikampung na loba anu jadi kusirsado (sado, lain délman, ceuk nuapal kecap “sado” asalna tina ba-hasa Portugis sa do sa = tonggongdiadu tonggong). Nu matak kitu,tumpak sado mah kusirna jeungpanumpangna saurang nyang-hareup ka hareup. Panumpangséjénna maralik ka tukang,tumerap na tumpak sado mah tong-gong bakal paadu jeung tonggong.

Tah, dina pésta Agustusan téa,sado ogé sok diabringkeun milupawéy. Bari dihias saaya-aya,malah nu pangalusna hiasan sok

dilélér hadiah. Sado hias sapanjangkeur pawéy henteu kosong, tapidieusian panumpang, malah bédatina sapopoéna panumpangna ogésok garinding.

Diantara sado hias téa, aya sadoMang Ugan anu kudana....hérniaatawa ceuk urang kampung mahburut. Lantaran panyakitna téa, ieukuda mun geus capéeun pisan sokbrat-brét-brot. Kawas harita,sanggeus capéeun kukurilinganpawéy, sado Mang Ugan kakeunaanmusibah langganan. Sapanjangjalan kudana teu eureun-eureunngaluarkeun sora brat-brét-brot,padahal leumpangna anca waé damindeng kacandet ku barisan dihareupeunana.

Atuh pamuda nu ngarogrogsapanjang jalan arakey-akeyan barisawaréh narunjuk kana sado MangUgan. Tapi teu kitu keurpanumpangna mah, mangkaningkabeneran anu miluan kana sadoMang Ugan téh mojang-mojanganu keur mareujeuhna. Tumerap -na, ngan henteu wé ari ngarajlengturun mah, cawéné-cawéné téangan ngahéphép bari éra kasima.Teu rék kitu kumaha geura, nungarogrog sapanjang jalan arakey-akeyan bari ngageuhgeuykeun,“Mang Ugan mah pangbodonasadunya, ari nu gareulis dibujuran,bujur kuda disanghareupan,” ceuknu saurang.

Gorowok deui nu séjén, “Da tutsir pa, kuda hitut kusir nu nampa!”ditembal ku anu saurang bari akey-akeyan, “Sir tut pangpa, kusir hitutpanumpang nu nampa!”

“Pang tut, da bur?” tanyasaurang bari nunjuk baturna.“Panumpang hitut kudana kabuu-urr...!!” Nu nongton ngaburiaklalumpatan bari saleuseurian

nunutur sado Mang Ugan.Ti lembur Pasir Malaka mah aya

Mang Unuy, jalma jangkung gedétukang punggal-panggul. Tanaganabedas kacida, saluyu jeung daharnaanu ceuk béja mah disuguhan liwetsaléter téh kurat-karét hayangeunkénéh.

Dina hiji pésta Agustusan, MangUnuy didangdanan ku tukang rias,dipentés jadi....wayang Gatotgaca.Surup ka patutna, jangkung badag,dada simbar jaba dipasanganmamaku taan. Dina pawéy téa, ditukangeunana ngiclik nuturkeun BiUnuy, pamajikanana jeung budak -na anu ditungtun kénéh. Sapanjangjalan dipirig ku gendang penca teutinggaleun tarompét ngalagukeunlagu-lagu perjoangan. Sapanjangjalan loba nu lalajo cruk-crek milureueus kana “wayang’ Unuy, aéhwawayangan Gatotgaca anu keurdilalakonkeun ku Mang Unuy.Tumerapna ka Mang Unuy, asamingkin sumanget ngagaya, komobasa aya wartawan anu cutrak-cet -rek motrét mah, rarasaanana asajadi aktor pangsohorna.

Tapi dasar kudu aya caritakeu -neun ka anak-incu. Keur meujeuh -na raraména anu pawéy, ana buriaktéh jalma-jalma paburencay baritingjéréwét. Nu dagang suuk awur-awuran, daganganana katincakanku anu lalumpatan.

Barang disidik-sidik, sihoréngtéh Si Oléh, jalma kurang saeundananu sok matuh di pasar miluanpésta bari rarampayakan. Barang SiOléh geus deukeut ka “Gatotgaca”anu sarua keur ngibing raram-payakan, sugan téh Si Oléh anu rékdiraponan, ditéwak bari dialung-boyongkeun. Sihoréng jauh tinasangkaan saréréa, bari radaculang-cileung heula, Gatotgaca

Agustusan di Lembur KuringKu Endan Sukanda

Page 10: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 9

Unuy malik ka tukang nganregeyeng wéh....pamajikan jeunganakna dipangku duanana. Satu-luyna ngabecir ngajauhan Si Oléh,geus teu nolih makuta ragragkaidek ku anu lalajo ogé. SihoréngGatotgaca anu gagah ogé sieuneunari ku jalma kurang saeundan mah.Beu, nepika kituna ari Agan Gatotmamalihan mah.

Raraméan Agustusan téhmangsa bihari kira 60 taun kaliwatkeur mangsa budak. Di lembur ku -ring désa Cisalak Hilir kacamatanCibeber, kabupatén Cianjur. Ka -asup kampung, jauhna ti kotakabupatén téh ampir tilu puluh kilométér, ti kantor Kacamatan ogé ayakana dalapan kilometer anggangna.

Ti mimiti taun 2009, kualpukahna inohong-inohong diKacamatan Cibeber kalayan meu-nang pangbagéa ti aparat désa,raraméan dina Agustusan téa di-hirupkeun deui. Sanggeus upacaradi alun-alun Kacamatan, pamilonpawéy muru ka lapang PasirMunding di désa Sukaraharja. Ieulapang gaganti lapang Jagaraksa

anu bihari mah sok dipaképasanggiri maénbal marebutkeunpiala jeung hadiah Agustusan,kadieunakeun geus salin rupa jadipabrik.

Boh keur barudak anu kakaranyaksian, manakomo keur kolot-kolot mah jadi matak kagagas ingetka mangsa bihari. Mangsana Agus-tusan di lembur kuring ramé ku ka-monésan. Dina Agustusan taunkamari mah raraméan jeung ka-monésan téh geus nyaluyukeunjeung jaman. Sahanteuna di lem-bur-lembur ogé kiwari mah geusloba nonoman anu rancagé lan-taran sarakola di kota. Sajaba ka-monésan kawas baheula, ayalalakon perjoangan ra’yat ngalawanpenjajah sacara téatrikal. Bamburuncing, tandu pikeun ngagotongnu tatu, nu papakéanana rubat-rabét saroéh jeung ulawéran getih.Teu tinggaleun, sirah dibengker kuMérah-Putih. Tongtonan téatrikalsapanjang jalan leuwih euyeubjeung anteb, sakapeung matak ka-gagas, sabab anu niron-niron pa-joang téa bari nyareundeutan...

bedil lodong awi anu dieusian kar-bit. Malah aya mamarieman anu di-gusur dina roda sagala. Unggalbeledug sora bedil lodong, gerrr nungarogrog sarurak ayeuh-ayeuhan,tapi teu saeutik kolot mah anu ram-bisak, lantaran ngalenyepan per-joangan alam penjajahan dinararaga ngarebut deui kamerdé -kaan...

Aya saeutik kahanjakal, duméhkakara sakali diramékeun deui,mapag Agustusan taun 2010-2011mah waktuna bareng jeung puasaRamadan. Rada hanjakal sotéh,duméh kabiasaan anu karék ngu -niang deui kahalangan. Sugan taunayeuna satutasna lebaran, ka-monésan urang lembur kuring dinaAgustusan bisa dihirupkeun deui.Wilujeng milangkala kamerdékaanRI anu ka-67 taun, mugia apan-jang-apunjung nagarana mingkinnanjung, mawa rahayat waluyabagja, waluya dina harti lahir jeungbatin. Aamiin***

Nu nulis pituin urang Cisalak hilir,Kac. Cibeber-Cianjur.

Page 11: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

10 Manglé 2437

Bagian

168

Ngadengé dongéngkageulisan PutriBudur, jin

awéwéna téhnyeuleukeuteuk. Kahartiku jin lalakina gé,Maimunah teu per-cayaeun kana caritaandirina. Ku lantaran kitu,pok wéh ngajak Maimu-nah ngadatangan tempatputri téa.

“Mangga wé tingalianku salira!”

“Ah, mending hayu katempat pamuda nu kukula dicaritakeun téa!”pokna.

Jin nu duaan pating -kalayang di awang-awang, lebahwawangunan nu dipakengerem Komarujaman,Maimunah nyirorot kahandap dituturkeun kubaturna.

“Sok tingali kumanéh!”

Sanggeus ngomongkitu, Maimunahnyingkab keun simbut nu

nutupan beungeut étanonoman. Ku lantarankakara reup, keur tibra,Komarujaman gé teungarasaeun aya numukakeun simbutna.

Ningali nu ngageubra,jin lalaki téh neuteupbeu ngeut Komarujamananteb naker. Ceukpikirna, mémang beneréta nonoman téh kasepnaker, hésépitandingeun ana di alammanusa mah. Geus kitu,pok nyarita. Enya, cenah,éta lalaki téh gagah jeungkasép, manéhna gékakara nempo jalma nururupaanana kawas kitu.

“Mung bawiraos,putri nagri Cina gé moalkawonkageulisanana,”pokna.

“Ah, moal enyangelehkeun rurupaan nukasep!”

“Ku margi kitu,mangga atuh urangyakinkeun wé ka ditu!”

“Teu deuk teuing! Pek

wé ku andika bawa kadieu!” ceuk Maimunahmaréntah.

Ku lantaran teu wanimagak, sieun kumamala na, Dahnasyi géteu bisa majar kumaha.Manéhna ngabiur kaawang-awang nusaterusna ngabelesat kalebah karaton PutriBudur.

Da puguh geus peu -ting pisan, putri gé keurtibra, atuh regeyeng di-pangku dibawa kaawang-awang téh teuusik-usik. Geus nepi kanu dituju, jin lalakina téhturun ka lebah Maimu-nah.

“Pek kedengkeun sinangaréndéng!” ceukMaimunah.

Peuting ka-184

Putri jeung pangerantetep ngaguher, tibranaker. Teu ngarasaeundirina keur pada melongdialak-ilik diakurkeun.Tétéla, rurupaana téh betsarimbag. Bédana téh,mémang pedah awéwé

jeung lalaki. Nu awéwégeulis pisan, nu lalakikasep pisan. Ngan, jin nuduaan mah, angger wéteu robah pamadegan.Ceuk jin awéwé,Komaru jaman tetepleuwih punjul, leuwihmatak narik ati. Sabalik -na, ceuk jin lalakina,Putri Budur leuwihngirut.

Pamanggih masing-masing téh leuwihditéték deui. Ngan, tetepwé, sagala rupa nudicarita keun ku jin nuduaan téh pamustungan -ana mah, ngunggulkeunmasing-masingpamanggih na. Cindekna,tetep dina kayakinanana.

Najan percaya kanakayakinanana, nganggapPutri Budur leuwih pun-jul, ahirna, jin lalakinamah, teu bisa nnyawaddeui kana pamanggihputri jin. Kituna téh, lan-taran sieun ku mamala -na. Apan, éta jin awéwétéh sohor kasaktenna,nepi ka loba nu gigis,milih serah bongkokan.

“Kumaha upama

Page 12: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 11

nyuhunkeun pamendaknu sanes?” ceuk jinlalaki na.

“Maksud andikakumaha?”

“Sina diajén, mana nulangkung punjul!”

Memang kaharti kuMaimunah gé,, masing-masing pihak bakalngeukeuhan pamanggi-hna. Hartina, upamataya pihak sejen nu nga-jén mah, pamanggihmasing-masing téh moalaya bulé-hideungna.

“Saha nu kudu dipen-tés sina ngajén?”

“Mangga, teulangkung pangeresa,”ceuk Dahnasyi.

“Heug atuh kula sora -ngan nu rék manggilpihak séjén!”

Maimunah nenjragbumi tilu kali. Eta téhcara manggil bangsananu ngancik di dasarbumi. Enya wé, teuréngsé téténjrag, peletekhaseup kaluar tina jerotaneuh. Eta haseup téhbeuki lila beuki nga-lobaan, nu ahirna robahwujud ngabelegedeghareupeun Maimunah.

Ningali jin awéwénanu aya hareupeunana,jin nu anyar datang téhgancang ngarengkepkeunleungeunna, nyembahluyu jeung kabiasaanana.Pok nyarita, kalayantungkul teu wani neu-teup beungeut putri jin.

“Pangapunten, ayapikeresaeun naon?”

“Kula butuh bantuanandika!”

“Mangga, peryoginaon agan téh?”

Derekdek putri jinngalalakon. Ditéték nepika bubuk leutikna.Ahirna, ngumahasangkan dipangmutus -keun papangihanana nuteu bisa sapagodos.

“Cindekna, andika

kudu meunteun saha nuleuwih pujul naha nulalaki atawa nu awéwé?”pokna.

Sanggeus nyarita kitu,Maimunah, ngisarahanku rindatna. Jin nu anyardatang surti, geuwatmalik ka lebah PutriBudur jeung Komaru -jaman nu keur nga-galeubra. Nu keur tibratéh dipelong antebnaker. Sanggeus kitu,teuteupna pundah-pin-dah ka putri jeungpangeran. Teuingsabaraha kali ngalelekannu keur tibra téh.Ahirna, balaka, cenahmemang duanana gé tayanu asor taya nu punjul,da sarua matak ngirutatina. Nu tétéla mah,beda na téh ukur lantaran

béda jenisna, nu saurangawéwé nu saurang deuilalaki.

Pamustunganana, étajin téh balaka. Dirina teusanggup mutuskeunmana nu leuwih punjul.Tapi, cenah, bisa jadicara séjén bisa mutus -keun éta pasualan.

“Cing atuh kumahacarana?”

“Bawirasa, tiasa di-tangtoskeun kuaranjeun na!”

“Enya kumahacarana. Gancang atuhpetakeun!”

“Kieu atuh!”“Enya geura pok!”Usulna téh kieu!

Cenah, duanana sinalilir, sina hudang. Ngan,kudu bareng lilir jeunghudangna téh. Memeh

bener-bener eling, dua-nan téh sina pasing-hareup-singhareup. Tah,mun geus kitu mah, karingabadungan wé.

“Naon cirina salahsaurang ti maranehnaleuwih punjul?”

“Gampang. Saha nuleuwih tiheula nembong -keun pasemon nu kairut,tah manehna nu leuwihgoreng. Cindekna mahkieu, mun nu lalakileuwih tiheula nembong -keun karesepna ka siawewe nya nu awewe nuleuih punjul téh. Kitudeui sabalikna!”

“Satuju mun kitu?”Maimunah nyarita semunyentak.

“Mangga ngiringan!”ceuk Dahnasyi. ***(Hanca)

Page 13: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

12 Manglé 2437

Nyi Rapiah éstuning teudaya teu upaya nyang-hareupan sawenang-

wenangna Aom Usman kadirina téh. Sumawonna nepika boga wawanén wakcaménta disérahkeun bo... atuhmatak geunjleung sadayeuh,guyur salembur lamun cacahpantaran manéhna wani man-cal ka Aom Usman, putraménak gedé sugih mukti turterah bupati.

Ari rék wakca terus-terangka Haji Abdulraup, bapana,teu kaduga ku éra, tada teuingngabongan-bonganna. Jeungmana teuing pating kuciwesnajeung pating taroélna baraya-baraya (tunggal kénéh barayaUjang Kusén), meureunharéwos na téh: “Humayua SiPiah, dibélaan dipecat-tibubu-rangjat mancal Si Kusén, arikocéplak meunangkeun SiUsman, bet cara anu miceunpinggan mulung batok, morojurang ngaleupaskeunpeusing.

Lah, teu kadaruga teuingku éra. Jadi ayeuna kaayaanNyi Piah téh lir monyét keunaku sumpah, rék dicabut teukaduga ku paur, rék disurung -keun teu kuat ku nyeri,tuntung na kokocéakan bari

ajrét-ajrétan teu puguh polah.Hanas jeung baraya pecah,deu ngeun-deungeun henteubéla!

Beuki lila beuki nyeri, karasana ku Nyi Piah, asa dipepejet haté, diri dijieun lumayan, dipaké sasampeureun, disampeurkeun lamun “butuh” geus “teu perlu” mah ditunda

Hanas pegat ti salaki, anu bageur tur baraya, bongan kaolo kagélo, kagembang ku kaménakan, anu muluk jangjina, buktina mah baragajul, omong kosong pangoloan.

Rasa manéh ménak sugih, kahayang sawenang-wenang, nindes ka awéwé héngkér, teu aya pisan ras-rasan, dijieun coco’oan, henteu ajrih ku Yang Agung, teu sieun ku dorakana.

Dipikir beuki kapikir, dirasa beuki karasa, yén henteu adil kitu téh,ménak ngagencet ka somah, kudu aya tungtungna, kumaha jalanna atuh, Nyi Piah sering mikiran.

Hiji mangsa pasosoré, keurmeumeujeuhna dayeuh Ban-dung endag-obyag ku nu pele-sir, Nyi Piah mah ngadaweungbaé di tepas, ngabangbangareuy, ngahuleng miraga ti -neung mikiran hayang leupastina kapeurih. Pasemonnakatara keur ngandung wuyung.

Sabot kitu jol Nyi Dampi,pikeun di Bandung mah di-paké kapaur pisan ku salaki-salaki balageur, tapi dipisobatku bangsa patukangan atawaku salaki nu sok curaling cu-lang-caling. Ari sababna, geuskawentar pisan, baragajulawéwéna. Sanajan awéwépengkuh cara bénténg wajaogé ku Nyi Dampi mah moalteu éléh cara malam ka-panasan, ceuk nu sompral téamah ngiclik beunang ditung-tun. Ceuk sawaréh mah majarasihanana ogé mani satelebug,aya Si Leugeut-Teureup, aya SiKukuk-Mudik, aya Si Ranjang-Kundang, jeung duka naondeui bangsaning anu satetelsakali muntel, saulas satahunwelas. Aji pangabaranana,magar téh boga Si Maung Tun-duk, si Oray-Numpi, SiPalengketan jeung sapa-padana. Duka teuing atuh.

Duka teuing bener henteu -na mah, omongan jalma ieuh,sok rupa-rupa. Anu puguh baéNyi Dampi téh nyaho kanaliling geran awéwé, lebah dinya

teuasna, lebah dinya uduhna;nu ieu mah kudu kieunataranana, ieu eupanna; nuitu mah kudu kitu dipulutna,béda deui eupanna gé. PikeunNyi Dampi mah awéwé téhcara manuk, aya nu anggeusku taheunan leugeut, aya nubeunang ku pitapak, aya nudikurawed ku jiret, malah réanu dililito ku jontrot, malarbongoh, nyaho-nyaho geusdipikat.

Ari gawé sapopoé, NyiDampi téh nu ébréh ka jalma-réa mah jadi cengkaw, purahngider dagang barikan jeungemas-inten, mangjualkeunbarang batur, ngarah pirilikna.Tapi lamun urang telik, NyiDampi téh dagangna bangunanu payu sukur, henteu kajeunmalah aya aturan dagangnaditawar batur teu dibikeunmagar geus aya nu pesen, geusditimpahan. Ari sihoréng, da-gang gé lain sadagang-dagang -na, éta mah pipindingan baé,payu sukur teu paduli, pokonangarah aya dangka geusanpatepung jeung nu rékditaheu nan pitapak.

Jaba ti anu ébréh katém-bong ku jalma réa, “pausaha -an” Nyi Dampi téh aya deui nusamuni. Disebut samuni sotéhlain tempatna nu nyumput, daari tempatna mah di Kebon -kalapa, sasat tengah lembur,ngan peta-petana édas ku

{ 7 }

Ku M.A. Salmun

Page 14: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 13

rarikip, masing diambreg kupulisi gé moal kapanggihbukti-buktina. Dina kaperegoupama téa, teu kurangpiekoleun-pijawabeun katutbukti-bukti palsu. Anu barogalampah teu uni di imah NyiDampi, ti anggalna geusdibadamian, pijawabeun jeungpipetaeun lamun tea kaperegoku pulisi nu ngambreg.

Cindekna, jumlah-jam-léhna mah Nyi Dampi téhawéwé jahat anu bisa ngaba-hayakeun imah-tangga nukurenan jeung masarakat.Prak-prakanana, leueur alah-batan belut.

“Panghapunten Agan,”ceuk Nyi Dampi hormat pisankawas ka agan enyaan baé.

Nu keur ngadaweung radangagebeg, atuhda jelema keuruleng pisan, katénjo gé nunyampeurkeun jol ti gigirimah, sasat teu barang paliré.

“Sawawi, rampes,” tembalNyi Rapiah, “aéh geuning Bibi.Mangga calik.”

“Nuhun Agan sawios en-tong teuing di lebet, ieu baé didieu, raos di tepas ningali nupelesir,” cék Nyi Dampi barangnenjo Nyi Piah abus ka jeroimah ngampar samak.

“Eum, moal saé, manggaieu di dieu geura.”

Nyi Dampi geus andiprekdi patengahan bari mando jigangadeuheus ka ménak baé. NyiRapiah rajeun ari papanggihmah jeung Nyi Dampi téh tapikasémahan mah kakara harita.Dina haténa rada héran néjopeta Nyi Dampi téh, tapi ayaatoh asa heueuh diménak-ménak, da ku batur mah taradipangmandokeun.

Ceuk Nyi Dampi: “Kuraraos di dieu téh Agan,” (nye-but “agan” téh mani anteb)...“aéh angkat ka mana dupiAom?”

Nyi Piah rada éra paradadiagan-agan téh, tapi dukaatuh, da ngeunah.

“Hih, ulah agan ka kuringmah Embi, apan uninga pil -kadar gé anak Haji Abdulraup,urang pasar,” cék Nyi Piah.

Nyi Dampi: “Ya Alooh,Agan, Ucu, anak embi nugeulis. Ari ménak tulén ku iasahandap asor. Baku ari ménakasli mah sok tara karooh kupuji. Ulah sok ngapeskeun

turu nan Agan, komo ka Bibimah nu terang ka pupuhuantuang rama. Jadi sudagarsotéh tuang rama mahawahing ku resep kana jual-galeuh baé, da tuang karuhuntéh sakaterang mah Si Ibi mah,Agan terusing ratu rembesingkusumah. Moal samata-mataAgan kapigarwa ku AomUsman, upami teu pada ka-gungan karuhun.”

Nyi Rapiah: “Karuhunkitu? Naha da geuning Abahjeung Ibu mah tara sasauranbab luluhurna?”

Nyi Dampi: “Emh,deudeuh anak Embi Si Geulis.Sanggem Bibi gé, ménak tulénmah tara jécéh ucah acéhngambat-ngambat luluhur...”Nyi Dampi luak-lieuk kawasaya nu diteangan, tuluy bisapisan ngagilekkeun carita téh,“angkat ka mana dupi Aom?”

Nyi Rapiah lat baé pohokana baluwengna, kagendamku omongan semah pok nga-jawab: “Lah, nya eta atuhEmbi, boga salaki gé sarua baéjeung henteu. Aom téh tarakantenan sumpingna; saka -peung mah saminggu téh nepika dua kali, tapi ari keur tam-polana lali mah pleng sabulanambleng teu aya talatah-tala -tah acan, éstuning matakkaluman.”

Nyi Dampi pura-purakaget, mandona cengkat baringusapan dada: “Ya Robbi, YaPangéran, kutan téh dugi kakituna Si Ucu. Si Geulis anakEmbi? Emh, na asa ku teung-teuingeun teuing. Sanesheurey Agan téh, nga-maénkeun Si Ibi?”

“Ih, naha maké kuduheurey?” walon Nyi Rapiah asadipiheueuh.

Nyi dampi gogodeg pura-pura milu jéngkél jeung nyeta-nyeta mikarunya: “Teu nyanaku Aom bet kitu geuning. Atuhieu Embi téh sasat kaisinan kuAgan, margi amprokna Aganka Aom téh sasat dijalanan kuEmbi, kapungkur. Beu édasdosa ageung atuh Embi téh.”

“Emh, naha Bibi makéngagugat-gugat ka dinya, dakuring gé teu nyalahkeun kaBibi,” jawab Nyi Piah. “Nuenggeus mah nya enggeus baé,ulah dibangkit-bangkit. Munbisa mah anggrusi tulungankuring. Kilangbara bisa nunggaljadi padmi, atuh ulah ieu baékieu, asa disapirakeun pisan.”

Ngadéngé omongan NyiRapiah kitu, dina haténa mahNyi Dampi téh mani surakbawaning atoh, puguh nu di-pambrih gé éta, supaya NyiRapiah nyarandu, singpercaya eun ka manéhna. Pok

ngomong jiga nu enya nga -helas:

“Matak hawatos teuing:duh Gusti, nya geulis, nyaménak, nya beunghar nepi kawerat dijieun pais-poho kucaroge. Éta panginten Aganmah teu aya pisan dianggo, su-pados carogé kakeupeul kuurang.”

Nyi Rapiah henteu ngartibener kana maksud omonganNyi Dampi, ngan karasaeunyén jiga aya pangharepanrasiah. Rada curinghak, pokngajawab:

“Nganggo naon Bibi, daasa kirang kumaha, apanpangna nepi ka sakieu geawahing ku gumusti, satia sa -tuhu ka salaki.”

Nyi Dampi nyeuleukeu-teuk, jiga nu heueuh kapiasem,pokna deui ngomong: “ÉtaAgan mah sok pura-pura teusurti. Maksad Embo mah nudianggo sotéh sanes anggoan,nanging pamaké. Sukur-sukurupami kagungan ku anjeun, dihenteuna atuh sakalieun ciduhdukun mah kedahdipetakeun.”

Nyi Rapiah: “Euh éta. Atuhluput di kuring mah Bibi.Bolostrong kosongmolong-pong cara songsong téhenyaan. Cing atuh Bi, kumaha?Sok-sok ka dieu.” (hanca)

Page 15: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Saéstuna taya manusa nusampur na. Rumasa atawa teurumasa, urang salaku manusa

pasti aya kuciwana. Kurang ieu téa,kurang itu téa. Malah, umumnamanusa rék leutik rék gedé pastikungsi ngarémpak papagon agamaatawa darigama. Lantaran ngagugulu -keun hawa napsuna, nya moalpamoha lan hiji waktu mah kungsingalaman tisolédat kana kamasiatan.Balukarna, daék teu daék diasupkeunwéh kana golongan manusa doraka.Naon sababna pangna kitu? Geus kitubaé ti ajalina kénéh ogé. Manusa, tibasa brol dijurukeun ku biangna geusdibabahanan dua jalan. Tegesna, jalankana kajahatan jeung jalan kanakatakwa an (QS Asy-Syams [91] : 8).Palebah dieu mah, sakumna manusa tinu pangheulana diyugakeun tepi ka nupangpandeurina ditakdirkeun sarua.Taya nu diiwal.

Perkara urang rék milih jalankajaha tan atawa jalan katakwaan és-tuning kumaha urangna. Ngan pi-dawuh Alloh, sakur jalma nu netepanjalan katakwaan, tegesna ku caranyuci keun jiwana dipastikeun jaganabakal bagja. Sabalikna, sakur jalma numilih jalan kajahatan, tegesna ku carangotoran jiwana dipastikeun jaganabakal cilaka (QS Asy-Syams [91] : 9 –10). Ku kituna, kahadé tong salah pilih.

Malah sawadina kudu waspadainggis keuna ka diri urang. Manusa nungaku teu rumasa boga dosa, nurut -keun ahli élmu mah ku kitu ogé geuskaitung dosa. Alloh SWT ngadawuh,“Anjeun ulah ngaku-ngaku diri anjeunsuci atawa beresih tina dosa”. Naonsababna pangna peta kitu téh di -larang? Jawaban nu pangbabarina ka-harti, sabab jalma nu teu rumasa bogadosa pasti jauh tina tobat. Padahal,

tobat téh hukumna wajib. Sakur jalmanu embung tobat, darajatna disakom-pét-daunkeun jeung jalma sombong/ -takabur. Pidawuh Rosu lulloh SAW,sakur jalma nu aya dina dirina kasom-bongan najan saeutik pasti bakaldigebrus keun ka Naraka. Sabalikna,jalma nu rumasa boga dosa pasti bakalgura-giru tobat. Dumasar kana hijikaterangan, Alloh SWT mikareueus kajalma-jalma nu tobat. Aya dua kauntu -ngan nu diancokeun ka jalma-jalma nutobat, meunang ganjaran tobat jeungmeunang pangampura.

Sakumaha pada ma’lum tobat téhaya saratna. Kahiji, ngarasa hanjakalmalah alusna mah nepika nalangsalantaran geus ngarémpak papagonagama jeung darigama. Kadua, jangjika dirina sorangan jeung ka Alloh SWTyén moal deui-deui ngarémpak papa -gon agama jeung darigama. Katilu,nga ganti kajahatan atawa kamasiatannu dilanggarna ku kahadéan atawaamal soléh sakurang-kurangnasapadan jeung kajahatana sukur-sukurmun ku nu leuwih hadé.

Upama kajahatan nu dilam-pahkeun aya pakuat-pakaitna jeungpapadana, dikudukeun ménta diham-pura atawa ménta diridokeun lang-sung ka manéhna. Upama inyana geustilar dunya, dikudukeun ménta diham-pura atawa ménta diridokeun ka kula -wargana.

Alloh SWT ngadawuh: “SaéstunaAlloh moal ngahampura dosa-dosajalma nu nyarékatkeun naon-naon kaAnjeunna, jeung Alloh baris nga -hampura dosa nu salian ti éta pikeunsing saha nu dikersakeun ku Anjeunnasarta maranéhna moal dikaniaya sa -eutik-eutik acan” (QS An-Nisa [4] :48). Jangji Alloh moal sulaya. Lebahdieu kari urangna, naha geus bener-

bener méménta pangampura kaAnjeun na? Naha urang geus kaabusahli tobat atawa acan? Kumaha baéprak-prakan tobat téh?

Ngadawamkeun Istighfar Diriwayatkan ku Muslim dina

sohih na, Al-Aghru al-Mizani RAnyarioskeun yén Rosulullah SAW kan-tos ngadawuh: “Kaula (kadang-kadang) ngarasa teu tengtrem haté,(ku lantaran kitu) kaula tara pohoméménta pangampura ka Alloh jerosapoéna saratus kali”. Diriwayatkeunku Abu Dawud dina sunanna, Abdul-loh bin Umar RA nyarioskeun yénRosu lulloh SAW ngucapkeun kalimah:“Ya Alloh hapunten abdi, tampi tobatabdi, saéstuna Anjeun téh Dzat nuNampi tobat sareng Anjeun téh Dzatnu Welas Asih”, lobana saratus kalisaban poéna. Saterusna RosulullohSAW ngadawuh: “Yaa ayyuhannaas,tuubuu ilalloh fa innii atuubu fil yaumimiata marrotin / Hartosna: Héymanusa, gura-giru geura tarobat kaAlloh, saéstuna Kaula tobat ka Anjeun -na saban poé saratus kali ” (HR Mus-lim). Sedengkeun dumasar kana haditsriwayat Bukhori, Rosululloh SAWsaban poéna leuwih ti tujuh puluh kalitobat (HR Bukhori).

Mungkin baé aya nu hélok, naonsababna pangna Rosululloh SAW taratinggaleun maoskeun istighfar saratuskali saban poéna? Apan, anjeunna téhditangtayungan tina sagala dosa? IbnuTaimiyah nyaurkeun, saenyana sabanjalma salilana aya dina ni’mat sartakurnia Alloh nu wajib disyukuran kuinyana. Jeung salilana aya dina dosasarta kamasiatan nu wajib ditobatanku inyana. Ku lantaran RosulullohSAW mah jalmi nu pang tiasa-tiasanasyukuran kana saniskara ni’mat sarta

Kautamaan Maos IstighfarKu Mahmud Yunus

14 Manglé 2437

Page 16: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

karunia Alloh SWT, atuh kantenan baéanjeunna mah teras-terasan nenedapangampura ka Anjeunna siangsinareng wengi ogé!

Demi jalma nu iman kalawan imannu sabener-benerna, inyana pamoha-lan deuk mopohokeun atawangaleuleu ngit kana saniskara nudilélérkeun ka manusa ti mimiti di jerokandungan biangna tug tepi ka kiwari.Mun seug urangna rajeunngalenyepan urang téh asalna ti manajeung rék ka mana tangtu hirup téhmoal mangprung-mangprung teuing.Saha téa kitu urang téh? Geurahempék lenyepan dawuhan Alloh SWTdina Al-Quran Surat Al-Mu’minun[23] ayat ka-12 nepi ka-14. Atawa Al-Quran Surat Al-Hajj [21] ayat ka-5jeung réa-réa deui ayat séjénna.Satuluy na Alloh SWT ngadawuh: “Tidinya, saéstuna maranéh sabadanakitu téh pasti jadi mayit (dicabutnyawana). Tuluy, saéstuna maranéhdina poé Kiamat téh bakal dihudang -keun” (QS Al-Mu’minun [23] : 15 –16). Naha geuning maké dihudang -keun sagala? Sanggeus dihudangkeun,manusa sakumna baris dikumpulkeundi Makhsyar. Satuluyna baris di -balitungkeun amalna sagemblengna!

Alloh SWT maréntahkeun kahamba-Na sangkan marénta pangam-pura ka Anjeunna. Pidawuh-Na:“Jeung maranéh geura ménta diham-pura ka Alloh. Saenyana Alloh téhMaha Jembar Pangampura, turtaMaha Welas Asih” (An-Nisa [4] : 106).Dina ayat séjénna: “Ku kituna, singnyaho waé yén teu aya deui Pangérananging Alloh, jeung geura ménta di-hampura tina dosa manéh jeung geuraménta pangampura pikeun mu’mininkatut mu’minat. Jeung Alloh uningakana tempat maranéh balawiri jeungtempat padumukan maranéh” (QSMuhammad [47] : 19). Jeung réa deuiayat séjénna nu eusina maréntahkeunka manusa sangkan ménta dihampuratina sagala dosa.

Ayat-ayat bieu nétélakeun méntapangampura ka Alloh SWT lain waékeur diri pribadi tapi ogé keur dulur-dulur urang nu ariman. Boh awéwéboh lalaki. Boh nu hirup kénéh boh nugeus maot. Geuning sok aya nu ngadoakieu: “Allohumaghfir lil-mu’miniinawal-mu’minaat, wal-muslimiina wal-muslimaat, al-ahyaa’i minhum wal-amwaat”.

Awahing ku welas asih ka hamba-Na, tobat ogé teu sirikna di-tatawarkeun atawa diasong-asong. Ieuhartina, kari urangna nu enya-enyangamangpaatkeun kasempetan. Da,puguh lawang panto tobatna mah geusdibuka. Mun seug ditengetan moal boadisebutkeun dina bulan Romadon ka-mari, panto Sawarga dibuka salébar-lébarna téh maksudna sangkan urangkamotivasi. Ambéh paloba-loba turtapahadé-hadé dina ngalampahkeun ka-hadéan. Sagigireun ti éta disebutkeunbulan Romadon gé kebek ku pangam-pura ogé nya kitu ngarah urangnadaria ngalampahkeun tobat ku tobatnasuha. Nya éta tobat nu sabener-bener na. Naha aya kalimah istighfarnu husus dicontoan ku RosulullohSAW? Naon baé ti antarana?

Rosululloh SAW ngadawuh: “Keursing saha nu maca: “Astaghfirullohaladhim, alladzii laa ilaaha illa huwalhayyul qoyyuumu wa atuubu ilaihi /Hartosna: Abdi neda dihampura kaAlloh, teu aya deui Pangéran iwal tiAnjeun na, nu Maha Hirup jeung terus-terusan miara mahluk-Na” (HR Mus-lim).

Diriwayatkeun ku Bukhori dinasohih na, Syaddad bin Aus nyarioskeun

ti antara sababaraha redaksi istighfaraya ti antarana nu katelah “panghulu”istighfar. Nya éta: “Allohumma antarobbi laa ilaaha illa anta, kholaqtani waana ‘abduka, wa ana ‘ala ‘ahdika wawa’dika mastatho’tu, audzu bika minsyarri maa shona’tu, abuu’u laka bini’matika ‘alayya, wa abuu’u bi dzambifaghfirlii fainnahu laa yaghfirudz -dzunuuba illa anta”.

Nurutkeun HR Bukhori, sing sahanu maca “panghulu” istighfar ti beu-rang kalawan kebek ku kayakinantuluy inyana maot saméméh datangwaktu sore, inyana baris jadi pangeusiSawarga. Sing saha nu maca “pang -hulu” istighfar ti peuting kalawanpinuh ku kayakinan tuluy inya na maotsaméméh waktu subuh, inyana barisjadi pangeusi Sawarga.

Istighfar disyaréatkeun sabanwaktu. Hukumna wajib pikeun nutikoséwad kana kamasiatan. Istighfardisunahkeun keur nu tas migawé amalsoléh sangkan kakurangana katutu-pan. Istighfar digunakeun keur mupusdosa sabot aya dina pasamoan/majlis,jst. Wallohu A’lam bish-Showab.***

Nu nulis Ketua DKM Manbaul UlumSMA Negeri 1 Banjar Kota Banjar

Manglé 2437 15

tina internet

Page 17: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Dawuhan Allah Swt. : Fa'fu'anhum wasfah, innallohayuhibbul muhsiniin. Hartosna,

mangka hampura maranéhna jeunglubarkeun dosana saenyana Allohmikacinta ka jalma-jalma anu nyieunkahadéan (QS. Al-Maidah : 13).

Ngamimitian sasih Syawal atanapipoé-poé sanggeus lebaran biasana umatIslam sok disibukkeun ku rupa-rupapasamoan anu dipatalikeun sareng idulfitri, nu di urang mah katelahna acarahalal bihalal téa. Kitu deui, halal bihalalogé dina buktina mah taya lian ti sila -turrahmi sakumaha dianjurkeun dinaagama Islam. Dina halal bihalal ogédisimbeu han ku silih lubarkeun dosatur ngaraketkeun deui duduluran anupernah renggang. Silih lubarkeun dosaantara sasama muslim dicirian ku cara-cara pataréma leungeun. Ku pataréma,sasalaman minangka hiji bukti pikeunngaberesihan diri tina rupa-rupa dosasareng kasalahan anu kungsi kalaksana -keun. Kangjeng Rosululloh SAWngadawuhan : Maa min muslimaeniyaltaqiyaani fayatasoofahaani illa gufirolahumaa qobla ayyatafarroqo. Nupihartoseun ana : Dua jalma muslim anupapanggih bari sasalaman baris diham-pura dosana saméméh duanana pa-pisah deui. (HR. Abu Daud, Turmudzi,Ibnu Majjah)

Sasih Ramadan anu agung, ayeunaparantos ngantunkeun urang sadaya.Sasasih campleng urang dilatih puasatur ngalakukeun rupa-rupa ibadah. Kitudeui ibadah urang teh sanés waé kutanaga sareng pikiran, tapi ku hartabanda ngalangkungan nyumponanzakat sareng sodakoh. Mudah-muda-han, dina latihan kamari, urang kalebetnu lulus banglus, teu aya halanganharunganana.

Ti mimiti prung urang puasa dugi kalekasanana, urang meresihan diri. Ngantangtu, salaku jalmi, sok aya waé lam-pah nu teu uni, lampah nu patojaiyah.

Tah, jalaran kitu Islam ngawajibkeunsilihlubarkeun dosa. Naon sababna?sangkan urang tiasa ‘idul fitri, balik deuikana kasucian tur amal urang beresihtina kotoran-kotoran. Dina kaayaanngudag éta, tos sawadina, lian ti urangistigfar ka Nu Maha Kawasa, atuh urangogé kedah silihhampura. Margi,sakumaha pidawuh di luhur ogé, Fa'fu'anhum wasfah, innalloha yuhibbulmuhsiniin. Hartosna, mangka hampuramaranéhna jeung lubarkeun dosanasaenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadéan.

Sangkan dosa papada urang tiasakapupus, kacida hadéna upami dinakasempétan 'Idul Fitri atanapisaréngséna, ku diayakeun Halal bihalalatanapi silaturrahmi. Dina halal bihalaléta, teu aya acara iwal ti silih hampura,silih talingakeun, silih asih, silih asuhmalahmandar mampuh silih talinga -keun. Sabalikna kacida rugina jeung ki-rang hadéna upami dina kasempétan nuberharga ieu, teu digunakeun ku urangsadayana. Sabab jalma nu tara ngulur -keun leungeunna pikeun ngahampurakana kasalahan batur atawa méntapangampura ka baturna, éta téh lain cirijalmi takwa. Dina Al-Qur'an, Alloh Swt.parantos nuduhkeun, Wal'aafiina 'anin-nas, wallohu yuhibbul muhsiniin. Nuhartosna : Jeung anu ngahampura kajalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadéan.(QS. Al-Imron : 134).

Jalma Bangkrut nu EmbungSilih Hampura

Hikmah halal bihalal, silih ha-lalkeun papada urang, tangtu ambaha -nan ulah heureut nepi ka dinya. Urangsilih halalkeun tuangeun jeung silihhampura tina lisan jeung lampah, méhmoal barokah (jiyadatul khoer), upamateu dibarung ku istiqomah. Sabab, naonatuh hartina urang silih lubarkeun dosa,

tapi dina lampahna, embung silihbantu, embung silih jeujeuhkeun. Pada-hal, keur ngaberesihkeun haté urang,henteu cukup saharitaeun, tapi kudumanjang, nepi ka ngadatangkeun silihbungahkeun. Ieu luyu sareng surat Al-Hasyr. Jalmi rugi, nyaéta jalmi nu ng-amomorékeun tina silih naséhatan dinakahadéan jeung silih naséhatan tina ka-sobaran.

Dicarioskeun dina salahsahiji haditsnu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yénRosululloh SAW kantos tumaros kapara sohabat : "Saha sabenerna arijalma nu bangkrut téh?" para Sohabatngawaler : jalma nu teu gaduh artossareng teu gaduh harta. Teras Rosu -lulloh SAW negeskeun : "Saenyanajalma anu bangkrut téh nyaéta jalma nubalik ka ahérat mawa ganjaran solat anuloba, ganjaran puasa, ganjaran zakatanu lain saeutik, tapi hanjakal anu saki -tu lobana béak dipaké mayaran hutanglantaran keur hirupna di dunya soknganyeurikeun haté batur, ngadolimanka nu séjén nepi ka ganjaran anu sakitulobana teu mahi dipaké mayaranhutang, anu antukna jadi tibalik dosabatur anu didoliman dipindahkeun kamanéhna, tuluy dialungkeun kananaraka. Jalma bangkrut téh kitu, lobaibadahna ka Alloh, tapi loba dosa ka pa-pada manusa."

Margi kitu, ayeuna saparantosna'Idul Fitri, haté urang kedah diseuseuhku silih hampura, silih lubarkeun tinadosa perdosa, silih talingakeun, malah-mandar mampuh silih beungharkeun.Taqabbalallahu minna waminkum.Mudah-mudahan sagala ibadah urangti tampi ku Gusti Allah Swt. Sarengminal ‘aidin wal faizin, mugi urangsadaya na janten golongan anu beresihsareng golongan anu aruntung. Allohu-magfirlana dunubana waliwalidinawarhamhuma kama robayyani shogiro.Amin ya robbal 'alamin.

***

Silih Hampura, Silih Lubarkeun Dosa

Ku Rifqu Fawaj Fauji

16 Manglé 2437

Page 18: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

17Manglé 2437

KANCING over-coat nu geuspageuh, teungahaja di-pageuhan

deui. Syal nu meulit dinabeuheung, dibebener, sana-jan teu lésot. Sakitu sarungtangan geus dua rangkep,

ramo-ramo asa baal kénéhwaé. Teu sangka bakalsakieu tirisna hawa téh.Mun seug nepi ka teutepung téh, tada teuinghandeueulna. Cacak lainrék néang buah haté, asateu sanggup kudu ngambahlalampahan sakieu jauhna.

Tepung kitu jeung budaktéh, atawa moal? Mun seugtepung, nya ayeuna mung-garan lebaran jeung budaktéh. Mun henteu?

“Namaste,” cék Arun numapagkeun kuring, di ban-dara. Dua leungeunna di-antelkeun kana dadana

dina posisi munjungan.“Namaste,” témbal ku -

ring nurutan. Terus pada-pada nikukur.

Ti bandara ukur tepi kasisi wates Darjeeling kanamobil téh, terusnaleumpang paduduaan. Ku -ring ngarep-ngarep rékganti mobil, tapi henteukénéh waé.

Sajajalan teu katénjopatalimarga, ukur nulaleumpang wungkul.

Kitugé ukur sababarahaurang. Padahal kakarapukul salapan, asa canpeuting-peuting teuing.Basa ditanyakeun kamanéhna, cenah mémangjam-jam sakieu mah teumeunang aya kendaraan nungaliwat.

“Special car free night?”cék kuring.

“Henteu da unggal peu -ting gé sarua,”pokna.

Hayang nanyakeun kunaon jeung ti iraha ayanaieu kabiasaan téh, tapi kutiisna hawa asa teu hayangcacarita leuwih loba. Basamanéhna ngajakan nginumcientéh heula, mani giakngamanggakeun, atoh. Eu-keur mah tas leumpangsakitu jauhna, katambah-tambah hawa tiis anu sakitunyiksana.

Pangampura pamajikan,jadi jalan kuring kudu nyo -rang Darjeeling, hiji tempatnu ayana di India Kaler.Kuring narima surat tiWalinda, mopoyankeunyén manéhna geus tayaharepan hirup. Kanker nujadi dina salah sahiji organ,geus nyaliara ka sakuliahawakna, hamo aya harepandiubar-abér. Salakina, rékmasrahkeun budak, da ce -nah kuring anu leuwih hak.Budakna geus dibéjaansaha bapa tegesna, ti ang -galna kénéh. Ka salakiWalinda nyebutna Uwa, damanéhna pernah kapisuanlaér ka anak kuring téh.

Asa Lebaran MunggaranCarita Pondok Aam Amilia

Page 19: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 243718

“How about you, lemon-tea, appletea, rosetea, or-angetea?” cék Arun. Kuringéra asa katohyan keurngalamun. Can némbalan,kalah ngahuleng.

“Atawa hayang rajanaentéh, English breackfast-téa?” pokna deui.

“Naon wé, lah “ cék ku -ring. Manéhna seuri, barisup deuika jero.

Sora seuneu ngalétakhunyudan bubuk kai,ngagebos, ngareureuwas.Karasa rada haneut kanaawak. Sabot nungguancitéh nu ditinyuh soranganku Arun, kateuteup lén tab -na seuneu, kawas ngaléta -kan suluh nu anyar dibe beskeun. Moal bina nga -léntabna haté pamajikan,basa ngadéngé kuring ba -laka yén saenyana baretotéh geus kungsi rarabi,malah batianhiji. Kuringharitanyarita asa balé -lol.Sanajan meunangngabeuweung-ngautah -keun aya samingguna,angger teu béntés. Awakngadégdég, teuteup pama-jikan, asa seuseukeut balati.Ngan cipanonna nu wasakedal. Rangkulanana pa -geuh dina dada kuring.

“Hapunten Kaka,” cékkuring harita.

Lain rék ngabobodopa-majikan nu ayeuna, tapi dakuring mémang kawinjeung Walinda téh susu-lumputan. Kolotna teudoaeun. Status sosial nuganjor jeung adat féodal numasih dicekel pageuh kukolot-kolotna, moal bisa di-rempak. Padahal cinta geusmeulit muhit, uratanakaran dina dada kuringduaan.

“Ieu mah téh tubruk Dar-jeeling, buatan saya,” cékArun ngareureuwas. Sokcitéh sabekong diteundeunhareupeun, ku manéhnasabekong.

Suruput diinum saeutiksanggeusditiupan. Kawas

nu ngarti, kojéngkang Arunmawa pisin. Dipisinan mahleuwih téréh kaasaanana.Enyaan mani marem.Hawatiis jeung citéh panasngageleser kana beuteung.Ti luar durukan beukingabebela. Kuring sanggupmuka sarung tangan,sabeulah. Sok gigireuncitéh.

“Are you hungry too?”pokna. Kuring unggeuk barimésem, rada éra.

Léos manéhna ka jerodeui. Papakéanana kakarakasidikkeun, geuning manirandutdut. Cacak urangdieu mani tilu lapis bajuna,komo kuring.

Seuneu durukan di luar -eun warung beuki ngage-dur. Dina wangwangankacipta deui kumaha pa-nungtungan tepung jeungWalinda. Manéhna nga-jakan napak tilas ka tempattepung baheula. Di buruankalér kampus duaan, saruakeur meneng kana bukumasing-masing. Teu nyahoti mana jolna, bet aya ucing.Na ari gajleng téh éta mo-jang ngadeukeutan, méntadipanggebahkeun ucing. Kukuring paméntana ditedu -nan. Rada éraeun basa di-tanya maenya ku ucingsieun.

“Keun baé naha, lain uru-san anjeun,” pokna, judes.

Tapi lantaran ucing téhnyampeurkeundeui, ka-paksa manéhna dikawal.Harita da kabeneran sarualapar, bareng ngajugjugkantin mahasiswa. Di kan-tin, kakara siliwawuhan.Manéhna nyebutkeunngaranna téh, CintaWalinda cenah. Bet man-jang wawawuhan téh. Tem-pat éta matuh jadi parantingobrol. Ngan di dinya bisamurakeun kasono téh, damanéhna mah indit kuliahdijajap, balik dipapag kusupirna.Komo sanggeuskuring nyaho yén diimahna aya bénténg adat

nu kacida luhurna, hamokaléngkahan ku sing sahawaé ogé. Bénténg kuno, nungalarang éta kulawargakawin ka luareun dinastimaranéhna. Nu nyoba-nyoba ngarempak, kudukaluar tina garis panjangahli waris, keluarga besarpengusaha nu beuratbeung har téh.

“Diusir sapajodogan?Kejem amat,“ cék kuringharita.

“Henteu diusir mah, nganmoal meunang warisan,“témbalna.

Cinta nu datang teupupuntenan, kalah beta-heun nyayang dina jiwakuring duaan. Aya cita-citahayang hirup babarengan,bari apal yén jalan pikeunka dinya téh tarahal pisan.Pék baé mun kuring rékdisebut lalaki teu bogacedo, mikahayang anakkonglomerat. Bongan cintanu nyayang téh kalah mérékakuatan nu rohaka,pikeun ngarempaklarangan kulawargaWalinda. Manéhna kungsiakal-akalan, nyebutkeunyén geus kakandungan.Sugan téh haté kolotna rékleyur. Teusingna. Kolotnamilih mun enya kitu téh,pék waé cenah, kawin sorépegat isuk, batan narimakuring jadi minantu. Ku -ring duaan nékad, kawinlari. Tapi kakara sataun gégeus karasa sangsarana.Atuda eukeur mah kuringkuliah kénéh, katambah-tambah hirup diuudagkasieun téh capé nataku.Teu bisa indit babarengan,salawasna susulumputan.Kuring pepegatan, sabadaSi Cikal lahir. Duaankapisek neangan duit keurmayar bidan. Ahirna serahbongkokan, Walinda mu-lang deui ka kulawargana.Kuring neruskeun kuliah.

“Anjeun ahli entéh ogé,sarua jeung Mr Vikar?”cékArun. Kuring ngarénjag,

méh baécitéh nu keur disu-ruput, képlok. Kuring ukurunggeuk, ngawadul deui.Manéhna ngasongkeun da-hareun sapiring.

“Mr Vikar téh Angga -wikarta, bos perkebunanentéh Valinda. Létah kuringnyebut Wikarta jadiVikarta. Mangga dituang,“cék manéhna bari seuri.

“Ditampi,” témbal kuring.Jadi ras ka lembur. Kada-

haran téh bet méh sarupajeung papais atawa ciréng,papada tina tipung béasjeung tipung aci. Manéhnamah dicoélkeun kanacaigula dina sangku leutik,kuring mah resep nu asin.

“Geus lila wawuh ka MrVikarta?” cék Arun.

Kuring rada ngarandeg.Tapi piraku nyebutkeuncan panggih-panggih acanmah. Komo balaka yénsalakina popotongan. Nga-jawab téh ngawadul wé,geus lila. Cék kuring,manéhna téh salakina dulurkuring Walinda. Manéhnaunggeuk.

“Ari anjeun babatu-ranana?”cék kuring.

“Lain, kuring mah pa-gawé, Mr Vikar mahsalasahiji owner perke-bunan entéh, dunungankuring. Nu matak kuringditugaskeun mapagkeunanjeun ka bandara. Geuspanggih jeung Mrs Valinda,garwana?” pokna, barinyoél gula.

“Acan. Kumahakaayaanana ayeuna?”

“Karunya, salirana séépdigorogotan ku panyawat.Kageulisan anu sakitumurub mubyarna téh méhteu nyésa. Ayeuna mah,deudeuh. Ah, so sadness.Nu mawi anjeunna alimditepangan ku sasaha ogé.”

Kuring ngarandeg,deudeuh teuing Walinda.Anjeun teu apal, kuringkawin ka pamajikan nuayeuna, sabada geringnangtung taun-taun inget

Page 20: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 19

ka anjeun. Tapi kudu kamana nyusul? AyeunaEnung alim ditepangan.Kuring ukur bisangadu’akeun, mugia anjeunsing kiat. Nuhun, masih -keun buah haté urang kakuring. Apan kuring geussapuluh taun ngarangkepka pamajikannu ayeuna,tacan kénéh dipercaya bogabudak, cék haté norowécobacéo.

Lantaran nénjo kuring ci-cing waé meureun, Arunngajakan neruskeun lalam-pahan, ka hotél, bari pami-tan ka tukang warung.Cenah kuring kudu saréheula, sangkan ulah kabu-lusan. Engké janari rék di-jemput. Urang nepunganMr Vikar, alias WikartaAnggaputra, salakiWalinda, di Tiger Hill.Cenah Mr Vikar hayangnyarengan putrana ka étatempat, rékningali panon-poé bijil.

Teu wudu capé leumpangtéh, ngan bubuhan tiis wé.Teu burung nepi ka hotél.

Sanajan ukur jam-jamandi hotél, kuring bisangarénghap tina baju kan-deljeung overcoat. Ramo-ramo sina bébas tinasarung tangan. Pemanasruangandi éta kamar hotél,kacida nulungna kana awakkuring tina kabulusan.Asakakara salenyap saré téh,panto kadéngé diketroktiluar. Arungeus ngajega dilawang, makéovercoat, si -rahna dibuged, kawas sor-ban, tur maké sapatuboot.

“Are you ready?” pokna.Kuring ménta idin rék saurheula.

Sihoréng ti hotél ka ditumah bisa kana mobil. Ngantiluanjeung supir dinamobil téh. Kuring jeungArun ditukang.Jalan beukilila, beuki netek. Di sisi gigirjalan ngan leuweung nukaténjo, lamun sakali-kalieun kahibaran kulampu mobil, da poék

kénéh. Mun ti beurang mahtangtu kaciri rumpilna étajalan téh. Ti kajauhan geuskadéngé sora nu ayeuh-ayeuhan, jeung sora dogdogditakol. Beuki lila beukijelas horéng loba nu keurnyanyi lagu India. Mobildieureunkeun lebahlawang. Kuring duaan taru-run, supir néangan parkir.

“Is taraf nahin,” cék hijilalaki maké jubah bodasnanya ka Arun.

Kadéngé Arun nanya kubasa nu teu kaharti ku kur-ing. Kitu deui jawabananasarua teu kaharti.

“What did he say?” cékkuring.

“We walk on the wrongway,” cék Arun. Lantaransalah jalan, kuring muterdeui.

Ieu tempat téh ayana diluhur pisan, lebah suku Gu-nung Himalaya. Wangu-nanluarna rék sigamunara. Cék Arun, unggaltaun sok aya urang Sundanu keur aya di India,nepungan ka Mr Vikra.Taun tukang mah ti NewDelhi. Kungsi ogé ti Hyder-abad, Kalkuta, Mumbai,Bangalore, jeung diMadras.

“Taun ieu anjeun, “ cekmanehna bari ngaléos, per-misi rék néangan Mr Vikar.

Ah, Walinda, sigakumaha anjeun ayeuna?Minangka panungtungngadéngé sora Walinda téhbasa kuring keur diBangkok, milu seminarngeunaan masalah her-itage, ditugasken ku dunu -ngan.

“Tresna? Kumahakabarna? Kumisan kénéh,ari gigi carang kénéh, sokgétékan kénéh?” Angger,pananyana mani nyoroscos,sanajan karasa geter gu -gupna. Pananyana ukurditémbalan ku heemh.Kacipta panonna nucureuleuk, biwirna nu ipiskayas, pipina nu konéng

enay. Buukna sok ngariablamun disingklakkeun,kaambeu seungit. Irungnanu mancung sok dipengék,mun manéhna mengékirung kuring. Inget kénéhnanyana téh tutuluyan.

“Ku naon can kawinwaé?” pokna. Enyaan terusmapay-mapay kahirupankuringna téh. Tepi ka nyahoyén kuring can kawin.Angger poksang, semuocon.

“Atuda hoyong ka nusiga Cinta. Aya gé jauh diAmérika,” cék kuring.

“Saha namina?”“Wynona Rider.“

Manéhna seuri nyeuleukeu-teuk.

“Angger kénéh waé. Ieutéh sagalana anggerkénéh?” cék kuring.

“Aya nu robah,” tém-balna. Manéhna kaciptananompokeun HP-na.Kawasna ka ucing, da di -sada éong-éongan. Keurmangku ucing? Apanbaréto mah sakitu sieuneu-nana ku ucing téh. Etameureun nu dimaksudrobah téh.Cinta, sigakumaha Enung ayeuna?Sora HP ngirining, asangahudangkeun lamunan.

“Mr Vikar nga-sms, teumungkin ka dieu cenah,hampura, Mrs Walindaanval, kedah ka rumahsakit. Ngan aya putrananungguan di dieu, saurnapiwarang sareng jeung an-jeun,” cék Arun.

Kuring ngagebeg, reygetih asa unggah kabéhkana sirah. Hawakarasabeuki tiis, nepi ka irung gépeurih, tapi teu ieuh dirasa.Kuring muru tempat nu di-tuduhkeun ku Arun.

Cenah manéhna diukdina kuta nu nyanghareupka lebah pibijileun panonpoé. Di dieu mah anginkarasa pisan ngagelebugna.Sora nu surak, asa ngahu-dangkeun ingetan kamangsa pipisahan jeung

Walinda.Kuring kakaranempo anak téh keur orokbeureum kénéh. Tangtuayeuna mah geus ABG.Duaan paungku-ung ku,ceurik.

Ti wétan, sumirat mimitirék lugay, kakarakatara ca-hayana, murub mubyar liremas sinangling. Kuringluak lieuk néangan Arun.Jep sakedapan nu surakjempé. Méh kabéh ngaréng-hap. Lalaunan planét nuteu weléh hurung téh sigakaluar ti tukangeun gu-nung. Bray-bray alam pe-teng mimiti caang.

“Allahu Akbar,” cék ku -ring.

“Oh myGod,”cek nuséjén, sorana handaruan.

“Acha guzra, ”kadéngénaku kuring, nu surak ambal-ambalan.

“Namaste lovely sunrise,”cék nu gigireun.

Nun Gusti, aya ku éndahétadadamelan. Mani asadeukeut bal emas téh tinateuteupan. Sakeudeungdeui mah tangtu kuringmoal wasa neuteup anjeun,da sérab. Tina sela-sela soranu muji kaéndahan éta ka-jadian alam, karasa aya nunoél. Basa dilieuk, horéngArun jeung budak lalaki,mani kasép. Angen tutung-gulan. Antara kadéngéjeung henteu basa Arunnyebutkeun, Mr Vikar nga-jak tepung engké pukulsalapan isuk-isuk, di guesthouse-na. Geus teu hayangtatanya, basa patepung teu-teup jeung budak. Angendulugdugdag, kabawa mo-tahna rasa. Atuda sagalanu aya di éta budak téhlolobana nu kuring,panonna, irungna, biwirna,buukna.

“Morning Dad,” cékbudak, tatag naker.Sarérétkatenjo Arunkerung, colo-hok.

Teu wasa némbalan, dapiceurikeun nyelek kanatikoro. ***

Page 21: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

20 Manglé 2437

Carita pondok “Jajap nuMulang” (MangléNo.2133), hiji ti antarasakitu ratus carpon karyakuring, bisa dianggap

mawa berekah manjang. Mimitidimuat dina “Manglé” bulan Méi2007, kasinugrahan hadiah “Carlih”(carpon pinilih) “Manglé”. Engkénamilu ngeusian buku “Kanagan 2”(2008) nu ngamuat carpon-carponpinilih “Manglé taun 2002-2007.

Basa kumpulan carpon “CeurikSantri” (Rahmat Cijulang, 1985), rékdicitakulang ku Geger Sunten (2007),Taufik Faturohman ménta éta bukunu ngamuat dua carpon (“CeurikSantri” jeung “Tanah Satapak Peu-cang”) dikandelan. Nya ditambahanku “Jajap nu Mulang” jeung “HujanSilantang” (sarua kungsi dimuat dina“Manglé” jeung buku “Kanagan I”)).

Pék téh deuih Déwan Juri HadiahSastra Lembaga Basa jeung SastraSunda (LBSS), 2006-2007, netepkeun“Jajap nu Mulang” minangka carponpinunjul III th.2007. Pinunjul I carponSisipus karya Deni Ahmad Fajar,jeung pinunjul II “Kembang Keretas”karya Ai Koraliati. Carpon Ai saruakungsi jadi “Carlih” Mangle, tur saruadimuat dina “Kanagan 2”.

Hayang nyaritakeun carpon “Jajapnu Mulang” lain goong nabeuhmanéh. Ieu mah sakadar babagi pan-galaman dina perkara prosés nulis étacarpon. Sugan baé bisa jadi eunteungkeur para pangarang Sunda nungarora, nu geus mimiti renung ma -kalangan. Apan di antara nu mareu -nang hadiah sastra LBSS 2006 jeung2007, rata-rata pangarang ngarora20-30 taunan, samodél Rizal Sabda,Atép Kurnia, Ary Ardiana, Tiwi Sonia,Dhipa Galuh Purba, Nunu Nazarudin

Azhar, Sarabunis Mubarok, jsb. Saméméh jadi carpon, gagasan

“Jajap nu Mulang” leuwih ti heula di-tulis dina wangun artikel basa Indone-sia. Dijudulan “Partai dan BahanBacaan”. Dimuat dina rubrik budaya“Khazanah” Pikiran Rakyat (Januari2007). Ditulis deui mangrupa artikeldina basa Sunda “Partéy jeung BahanBacaan”. Dimuat dina majalah“Cupumanik (Maret 2007).

Atuh lamun diitung-itung ti mimitimangrupa artikel dina “PR”, “Cupu -manik”, jeung carpon dina “Manglé”,carpon pinilih “Manglé” katut “Kana-gan 2”, jeung dimuat deui dina“Ceurik Santri” ditambah hadiahLBSS, “Jajap nu Mulang” geus “nge-duk” honor ampir Rp 4 jutaan. Gedépisan keur ukuran karya sastra Sundamah.

Ari nu jadi sumber gagasan éta ar-tikel nu mindarupa jadi carpon téh,nyaéta gempungan resmi nu di-ayakeun dina raraga resés salahsaurang anggota DPR-RI di Garut.Kuring hadir duméh diondang.

Wakil rayat nu teu jiga rayat (lan-taran sikep unggah-ungguhna, len -tong basana, katangén pisan kawaspejabat luhur) téh, tétéla teu mangga-pulia nyanghareupan “audéns” Pang-pangna para mahasiswa paguronlokal. Meureun tadina mah nganggapénténg. Bakal bisa nyarita laluasasakahayang manéhna. Moal aya nungadebat. Nu matak ti barang naékkana podium, ngeunah baé medarrupa-rupa program gawé manéhna,boh nu geus digarap, boh nu karék di-rarancang.

Bet ranyong nu interupsi. Nepi kamoderator kawalahan. Hiji maha-siswa, budak kénéh pisan, pertentangnyarita. Ngiritik peureus pisan, boh ka

éta anggota DPR-RI nu ngarasa nga -wakilan konstituen Garut, jeungTasikmalaya (Daerah Pamilihan XI),boh ka institusi DPR nu pinuh ku ko-rupsi jeung jalir jangji. Dina nga-songkeun kritikna, éta mahasiswanyutat teori-teori para pakar politik,sosial, budaya kamashur. Saperti Nic-colo Machiaveli, John Dérida,Gramcy, Michaél Focault, Ibnu Khal-dun, Ché Guavara, jsb. Duka enya étamahasiswa téh geus macaan buku-buku karya pangarang nu ditataancikénéh. Atawa ukur kabawakeun kuusum. Tamba tinggaleun jaman.Pédah éta ngaran-ngaran téh mindengkawayangkeun kiwari.

Dina ngajawab rupa-rupa kritik, étaanggota DPR-RI katingal pisan“grogi”. Aga-eugeu jeung gupuy-gapayka ditu-ka dieu. Nepi ka mindengmengpar tina substansi poko. Beukigeumpeur barang ku barudak diéak-éak. Malum mahasiswa di kota leutik,nu langka manggih pajemuhan badag.Dina sakalina aya kasempetan, dipakémudalkeun angen-angen bébéakan.

Najan teu nonggérak, tina jawaban-jawabanana kana kritik para audéns,éta anggota DPR-RI, katingal kurangwawasan jeung referénsi. Ukur saaya-aya baé teh enyaan. Meureun pédahcicing di puseur nagara, sapopoéngantor di Senayan, nyangking ka -lungguhan istimewa, ulah katangaréléh atah-atah ku urang “pasisian”.Matak ngangres, sabot ngabayang -keun, kumaha carana éta wakil rayatbisa prak ngalaksanakeun pagawéannyata dina hirup kumbuh masarakat.Kana téori-téorina ogé kawas teuapaleun. Kawas kurang maca. Mak-lum waktu kapilih, henteu diajén eusiuteukna. Tapi cukup ku meunangnomer leutik dina daptar caleg, duméh

Lalakon CarponKu H.Usép Romli HM

Page 22: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 21

deuheus ka gegedén partey.Ras ka mangsa 40 taunan ka

tukang. Anggota partéy téh, bener-bener palalinter. Ngawasa masalah,apal kana teori jeung prakna. Réamaca. Réa diskusi. Sarta mampuhnuliskeun gagasan-gagasanana, bohwinangun fiksi (carpon, sajak), bohnon-fiksi (artikel, essey), jsb.

Tokoh Obid dina “Jajap nu Mulang”mangrupa tipe “urang partéy” numasagi. Padahal manéhna ukuranggota biasa. Dumuk di pilemburan.Hirup paspasan. Ngan bacaan jeungbahan bacaanana ngaleuya. Hiji ka -anéhan keur masarakat umum, lainbaé harita, dalah ayeuna gé sarua kitu.

Dina artikel “Partai dan Bahan Ba-caan” kuring ngabandingkeun “urangpartéy” (hususna Partey Komunis In-donesia – PKI), jeung aktivis politiksabada PKI dibubarkeun (1965). Dinaaspék inteléktualita, jauh tanah kalangit. Karep maca jeung nulis gé, jauhgunung ka laut. Di dinya disebutkeun,aya aktivis pamuda, kapeto jadianggota DPRD kabupatén, di imahnataya buku hiji-hiji acan. Rak jati nu di-pajang di rohang tamu imahna, ukurdieusi kasét-kasét lalaguan dangdut.Nu disebut buku, ukur agénda, gular-golér pinuh kekebul. Boro-boro bukusastra jeung budaya, buku nu patula-patali jeung pangaweruh politik katutsosial gé teu salambar-lambar acan.Éta kekentong pamuda leuwih apalkana bésték bangunan, harga beusiharga semén, komisi jeung sulap-selipsusulapan duit proyék. Jauh jeungtokoh Obid nu digambarkeun dina“Jajap nu Mulang”.

Lamun seug “Obid” teu kaburudicerék gara-gara peristiwa G-30-S/PKI, Séptémber 1965, kuring yakinmanéhna pantes jadi anggotaDPRD/DPR. Sabab pangaweruhnapepel, wawasanana lega, kutu bukujeung rajin nulis. Aktivitasna dinapartéy, bener-bener dimangpaatkeunku “Obid” keur ningkatkeun kapin-teran, kaparigelan jeung kamampuhnyeuseup aspirasi rayat. Nu matak“Obid” cicing di pilemburan, kawasnangahaja ditugaskeun ku partéynasangkan deukeut ka rayat.

Ayeuna mah apan, calon wakil rayattéh, karéréanana urang pakotaan.Ukur hiji dua “urang lembur” bari

jeung sapopoéna mah cicing di kotadeuih. Teu sakulah-sakolih dina kany-eri kapeurih urang lembur nu aya diwewengkon “nanggerang lila caang,nanggorék lila poek”. Urang suklakurang sikluk nu gulet jeung kamiski-nan katut kabodoan.

Ras deui ka Wira, hiji tokoh nyatataun 1950-an, urang Seungkeu, Banyuresmi, Garut, kuloneun Situ Bagendit.Sapopoé nyieun pariuk atawa anyam-anyaman. Tapi apal kana seluk-belukpolitik, sabab keur ngorana (taun1920-an), getol milu masamoan dinaacara-acara “pahadréng” (verharding)atawa diskusi, nu diayakeun kuSarikat Islam (SI), nu mindeng dilu-uhan ku HOS Tjokroaminoto. Basa SIpecah dua, jadi SI “Beureum” (kapan-gruhan ku paham sosialis-komunis)jeung SI “Hejo” (panceg dina ideologiIslam), Wira milu ka SI “Beureum”.Bari ningkatkeun pangaweruh politikngaliwatan kursus-kursus jeung “pa-hadréng”, Wira teu incah balilahan.Tetep tumetep di Seungkeu, jeungsatia kana proféssina nyieunan katutngadagangkeun pariuk, atawa anya-man.

Kahébatan Wira dina ngawasa teoripolitik jeung praktek paham sosialis,dipuji ku Sutan Syahrir. Ieu kekentongPartey Sosialis Indonesia (PSI), jeung

Perdana Mentri munggaran RepublikIndonesia, nganggap Wira minangkaguru politik jeung guru sosialisme,sakumaha diungkab dina buku“Hidup dan Pejuangan Sutan Syahrir”(1982) karya Rosihan Anwar. Dinausum kampanye pemilu 1955, Syahrirdibarengan ku sawatara kekentongPSI – di antarana Ahdiat Kartami-hardja (pangarang roman Atheis nukamashur) – kungsi nganjang ka Se-ungkeu. Adi Wira, Sastra, kapilih jadianggota konstituante (MPR) hasilpemilu 1955. Wira mah teu pipilueunribut jadi anggota parlemén (DPR)atawa MPR. Tekun junun wae nyieun -an pariuk jeung anyaman di lem-burna. Padahal mun daék, moal hésémuntang ka Syahrir nu ngarasa jadimuridna.

Jauh mela-melu jeung sobat kuringnu jadi anggota DPRD jeung anggotaDPR nu keur resés téa.

Duka teuing lamun karep macajeung nulis hirup nanjung mah, kawasjaman “Obid”. Lamun daék namba-han pangaweruh samodel Wira mah.Henteu ukur ngandelkeun konéksi(kolusi) atawa hubungan kakulawar-gaan (népotisme), sakumaha kajadiankiwari nu geus ngajurus kana “PolitikDinasti”. ***

Page 23: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

22 Manglé 2437

Kaasup alusmilik, basaWija isuk-isukdatang kaimah Haji

Dédé, kasampak keur aya.Malah témbong nyalsé,Haji Dédé keur maca korandina téras hareup. BiasanaHaji Dédé mah jarang diimah, hésé hayang panggihtéh, ma’lum pangusaha nukeur meumeujeuhna nan-jung.

“Aéh, geuning urang kotatéh aya kénéh di lembur?”cék Haji Dédé bari nilepankoran.

Wija ngahéhéh bari nyo-longkrong ngajak sasala-man.

“Batur mah nu marudiktéh geus baralik deui kakota, ari manéh Ja, nahaaya kénéh di lembur?” HajiDédé mencrong Wija.

“Muhun, Pa Haji... Abdimah moal ka kota deui da...badé teras di lembur wéayeuna mah... horéam kakota deui téh abdi mah...”Cék Wija. Haténa mah radaéra nyarita kitu téh.

“Sukur atuh ari geusbumetah di lembur mah...

teu kurang-kurang sumberkahirupan mah di lemburgé... sukur lah, bungah lem-bur nambahan deui warga,moal tariiseun teuing ditar-inggalkeun ku nu naréan-gan kipayah ka kota...”

Wija nyéréngéh.“Namung da abdi mah

kapaksa, Pa Haji...”“Har, kapaksa kumaha?

Mun teu salah ngitung mahWija téh usaha di kota geusaya kana lima welastaunna... meureun meu-jeuhna geus boga bekelkeur hirup di lembur... pi-raku rék saumur-umurusaha di kota waé, teu ingetbalik deui ka lembur.”

“Nya muhun nu saruksésmah Pa Haji... nu nasibnasaé sareng arageung modalmah mendakan kasenan-gan usaha di kota téh. Abdimah ukur tinggal daki wé dikota gé...” cék Wija. Luktungkul.

“Euh, kutan kitu nya?”“Sumuhun, Pa Haji.”“Enya kétang nya, nasib

meureun nu kita mah... tapikétang pan cenah nasibmah bisa dirobah, nya?”

Wija unggeuk.

“Hartina nasib mahkumaha patékadan urang.Mun urang kuat tékadnadina ngarobah nasib, nyanasib gé bisa robah. Lamunteu kuat atawa satengah-satengah tékad urangna,meureun nasibna gé moalbisa robah.”

Wija ngeluk deui waé.“Atuh soal modal, ah kur-

ing apal Ja urang dieu nusukses usaha di kota. Itu SiSapri tina ukur dagang basodina roda pan ayeuna mahcenah bisa meuli ruko. Da-gang basona gé di ruko aye-una mah. Padahal mundipikir tina modal dagangbaso dina roda mah,sabaraha gedé modalna,sabaraha untungna? Tapimeureun manéhna mahapik bakat hayangngarobah nasibna.”

Teu lemek, Wija beukingeluk.

“Si Toha deuih, tina supirangkot ayeuna mah jadijuragan angkot. Si Udeng,mimitina buburuh ngaduk,ayeuna mah bisa jadi pem-borong.”

“Muhun pan nu sanésmah, Pa Haji... saraé mi-

likna. Abdi mah angger wépetot kahirupan téh...” cékWija karék némbalan.

Haji Dédé ngahéhéh.“Ah, ulah dipaké leutik

haté, Ja... encan Wijamah... pan cék kuring génasib mah bisa dirobah asalkuat tékad dinangarobahna. Teu di kotateu dilembur pikeun jadijalma sukses mah taya ha-halang. Modal usadaha jadihalangan. Réa jalma nutadina modal leutik tapi aribisa mah ngatur bet jadibeunghar. Kuring gé cicingdi lembur, lain agul Ja, cékbatur mah pan disebut suk-sés.”

“Sumuhun...”“Terus, Wija ayeuna di

lembur rék usaha kananaon?”

Méméh némbalan Wijangarénghap heula.

“Nyaéta Pa Haji, abdi téhteu acan gaduh totoonganbadé naon-naonna. Na-mung saheulaanan mahmamanawian abdi téh badényuhunkeun tulung ka PaHaji, manawi aya padame-lan nu tiasa dipidamel kuabdi...” cék Wija neger-neger manéh ngomong sa -kitu gé. Rumasa éra geuskapeupeuh ku omonganHaji Dédé cikénéh.

“Ah, éra ngagawékeunurang kota mah...” HajiDédé ngahéhéh.

“Teu kenging kitu PaHaji... sing hawatos wé kaabdi...” beungeut Wijangadadak nyiak beureum.Éra.

“Emh, hampura kétangJa, heureuy kuring mah.Nya ari arék buburuh dikuring mah pék waé...kabeneran aya tilu mobiltreuk nu nganggur euweuhsupiran téh, supirna kakarota, bisa nyupiran kénéhlin?”

“Tiasa, atuh Pa Haji...pan di Jakarta gé abdinyupiran damel téh...”Témbal Wija giak.

Nu teu Mulang Tas Lebaran Carpon Ena Rs

Page 24: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 23

“Nya atuh mimiti isuk wégawéna. Kabeneran taslebaran téh loba orderngangkutan batu ka proyékperumahan di Cisaga. Asakabeneran, teu kudu riweuhnéangan supir. Mobilna nuZ 7610, Ja... Jagjag mobilnamah... tapi jig wé ilikan kusorangan. Kenékna SiHamid... apal ka Si Hamid?Éta anakna Mang Cécé...”

“Terang, Pa Haji...”“Enya, jig wé ilikan mo-

bilna.”Sanggeus nganuhunkeun

ka Haji Dédé mah, Wijangoloyong ka garasi mobilHaji Jaja. Aya tilu mobiltreuk nu ngabagug di garasitéh. Nu séjénna mah tangtukeur jaralan, da réa mobiltreuk Haji Dédé téh. Munteu salah aya kana tujuhbelas sikina.

Wija nyampeurkeunmobil treuk nu nomerpolisina Z7610TB. Enya jigajagjag kénéh. Tina cetna ogékatempo mulus, bubuhanasak piara meureun. Kala-cat naék kana mobil, koncikontak ngagantung. Jegurdihirupan, Didédengekeunsora mesinna.

Enya, jagjag ieu mah, ge -rentes Wija. Teu lila mesinmobil dipareuman. Jrutturun, tuluy taang-toong kakolong mobil, nempoanhandapan. Per aralus, tayanu potong. Ban sakitu gar-aling kénéh. Tinggal mecutwé.

**Mulang ti Haji Dédé teu

tuluy mulang ka imah. Tapiméngkol ka pasawahan. Nuditujuna taya lian saungsawah nu bapana.

Panonpoé keur meu-jeuhna manceran. Keurusum halodo, tapi sawahlembur manéhna mah tayanu kagaringan da boga iri-gasi nu kawilang kuat caina.Paré keur meumeujeuhnahéjo, sawaréh témbongmangsa rareuneuh. Anginrada tarik nebak awak Wija.

Anjog ka sawah nu ba-pana, Wija tuluy murusaung. Gék diuk. Késang re-nung dina tarangna. Tapikésang nu karasa haneutkana awak, lain késang lan-taran baringsang ku panas -na hawa Jakarta, tempatmanéhna nyiar kipayah we-lasan taun ka tukang.

Gék Wija diuk dinatalupuh saung. Nempo kajauhna satungtung nga -plakna sawah. Karasatingtrim. Nu keur ngalongo -kan sawah parentul na ga -lengan. Ti beulah wétan ayamanuk kuntul ngalayangmuru wates pasawahan.

Pikiran Wija ngacacangka waktu nu geus kaliwat.Mangsa manéhna usaha dilembur. Keur meumeu-jeuhna paheuras-heurasbitis di Jakarta mah. Gawéjadi supir Mayasari, hawapanas, macet teu anggeus-anggeus... hhh, najan geusteu dilakonan deui bet kumanéhna masih kénéhkarasa capéna, ripuhna...dipikir-pikir ayeuna mahuyuhan wé bisa tahanwelas-welas taun kitu.

Keur Wija, omongan HajiDédé tadi téh asa nyindiranka manéhna. Enya baturmah sarukses, ari manéhnamulang ka lembur téh nga -gilincing. Ladang usahabéak keur kahirupan sapo -poé. Bisa neundeun gé teusabaraha. Nu diancokeuntéh ukur keur lebaran.Bubar lebaran, teuteundeu-nan gé bubar, érép pisan.

Nganjrek di imah kon-trakan saumur-umur. Teucara batur, bisa meuli imahdi Jakarta. Bisa barangbeulidi lembur, meuli kebon,meuli sawah.

Bisa ngagedéan usaha.Bisa ningkat pacabakan. Arimanéhna supir wé saumur-umur. Bororaah bisa carabatur. Wija ngarénghap.Mun palid dina kahirupankota manéhna mah rumasa.Jiga jalma beunghar, kana

kadaharan teu disungkeret,naon waé nu hayang dia -saan. Kana kahirupan peu -ting kota Jakarta teutinggaleun. Kana meulipakéan teu kapetolan. Ka-jeun duit béak da isuk gébisa néangan deui.

Ayeuna karasana. Hiruptaya robahna. Karunya wéanak pamajikan. Kikirimanka lembur téh taya leuwi-hna, saat sésa manéhna diJakarta. Taya keur nambah-nambah pangaboga. Sabu-lan béak, sabulan béak.Nepi ka kolotna gegelen-deng. Majar téh keur naonusaha jauh-jauh teuing kakota ari hasilna taya pun-julna mah. Nyupiran mahdi lembur gé réa ieuh nu bo-gaeun mobil. Asal daékngadunungan ka batur.

Dipikir dibulak-balik, betkarasa benerna. Matak dinalebaran ieu, batur baralikdeui ka kota, Wija mahnguatkeun tékad pikeunbumetah di lembur.Kumaha waé resikona...najan enya asa rawing ceuliku nu nanya; naha can kaJakarta deui, naha di lem-bur kénéh?

Sakuduna mah mualangbumetah deui di lembur téhgeus kari ngahunang-nga-hening. Boga bekel nu kan-del. Boga modal. Boga keurjalan usaha anyar. Ladangwelas-welas taun usaha diJakarta. Tapi manéhnamah: nol pisan téh lainbabasaan. Kahirupan dilembur ayeuna nya nga -mimitian ti enol deui waé.

Kaduhung bener-benerkaduhung, naha keursumanget usaha di Jakartaaing teu apik, ngadon ham-bur, gerentes haté Wija.Coba mun apik, coba munprihatin cara batur, cobamun boga tékad kuatngarobah nasib... meureunmoal kieu ieuh. Mangsageus capé, mangsa geusbosen ku kahirupanJakarta, mulang ka lembur

téh bati bingung. Dasar...ah... Wija garo-garo teuateul.

Batur mah saruksésusaha di Jakarta téh. Arimanéhna?

Encan Wija mah...omong an Haji Dédé nong-toréng deui. Wija ngoréjat.Aya nu nguniang dinadadana. Enya, encan aingmah. Ngan jigana kudu diJakarta. Kudu di lembursugan, sangkan kahirupanrobah téh... haté Wijanorowéco.

“Kang Wija...” aya nungageroan.

Wija ngalieuk. HoréngHamid, nangtung di lu-areun saung. Teu kadéngéjolna.

“Aéh, Mid... rék kamana?” Wija nanya.

“Ngahaja milarian KangWija. Tadi ditelepon ku PaHaji Dédé, cenah enjingmah jalan jeung Kang Wijada badé damel di anjeun -na.” Ceuk Hamid.

“Enya, Mid. Daék linbuburuh bareng jeung ku -ring?”

“Atuh kantenan, Kang.Bungah wé nu aya. Tos sa -bulan abdi mah teu bubu-ruh da taya supir. Ayeunaaya Kang Wija, deuh... bu -ngahna béh ditueun ti bu -ngah. Abdi tiasa buburuhdeui... teu genah nganggurtéh, Kang.”

Wija nyéréngéh. Hatémanéhna gé bet milu bu -ngah. Aya harepan anyar numimiti ngeusian haténa.Rék diniatan ngarobahnasib. Rék ditékadankalayan rosa. Sangkan bisajiga batur... najan teu kakota. Najan di lembur. Moaljadi halangan.

Teu karasa waktu geustangangé. Panon poémorérét. Angin rada tarik,sora daun paré nu katebakkadéngé ngérésék.***

Lembur simpe,Agust 2012

Page 25: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

24 Manglé 2437

Teuing ti irahajeung saha mimi -tina nu méréngaran éta tegalku ngaran Tegal

Mati téh. Teuing duméhlahan pangureban, teuingcenah baheula mah taya nuwani cacab-ceceb tutuwuh -an kajeun ngajejembrungpaselang reujeung tutung-gul. Heueuh mati tea, aliasteu ngahasilkeun. Mana -sina ayeuna moal-moalacan wawuh ka nu nga -ranna amit sun. Ketang di-rarab mah teuing ku sare rem ngaran wewengkonBandung pawetanan harita.Coba wé Leuwi Boéh, SekeJurig, Bojong Dedemit, Bo-jong Podol jeung naon deuilah. Harita usum katiga,reup peuting tangka com-rék. Salelembur numpi tayanu pirajeunan ngulam-preng, kalah ka pos rondawéh ngajalegir tengah lem-bur jeung di wates tung-tung lembur. Ari simanahoréng aya anumaot anyar dikurebkeun diTegal Mati. Nu matak héloktur ngondang kapanasaran -an téh cenah saban tosngurebkeun kudu wé kabé-jakeun némbongananajurig beungkeut tilu. Kitubaréto mah nelahna, munayeuna mah pocong tea.

Jurig béntang filempangngetrenna, sumberbobojegan dunya bobo -doran malah jadi bobonde-lan dunya intertainment nu

boéhna waé dijarieun bu-sana pikalucueun carekmaranéhna mah. Padahalnaon pikalucueunana? Nusidik mah nyiptakeun bo-rangan massal ti kelasbebenjit tepi ka aki-akijeung nini-nini. Teuingkumaha pipikiranana.

Lembur sabudeureunTegal Mati harénghéngcakueum, Mang Ejeng teusirikna neumbrag pantoimahna bari walahwah-weuleuhweuh moal ngali-wat deui ka jalan TegalMati da katangen pisandina saung pasaran aya nusidengdang ucang-ucang -an, makhluk sarwa bodaskukuncungan.

Mang Jamprang kitudeuih. Mas Nasro tukangbaso nyakitu dipegat jurigkukuncungan cenah. AtuhKang Juju ginggiapeun tepika ayeuna, cenah pas nyu -kang sasak awi anu ne -pung keun Tegal Matireujeung palemburan. Dinatangan-tangan sasakkasampak jurig kuncungbeungkeut tilu keur ucanganggé.

Malah kungsi geunjleungbasa jalanan Tegal Mati di-paké shooting filem hororpeuting-peuting, anadiroris dina monitor betaya anu aclok-aclokannutur-nutur artisna. Isuknagancang pupuhu kru filemngadatangan Bah Aih sa-balad-balad nu kapetokuncén ngarangkep

pawang lelemes alias dunyalain. Ku kituna pésak siAbah tangka merekis,encan peperet sasajén nudisayagikeun sababarahnyiru mah. Ditambahsasajén karuhun modernkayaning inuman teurab,inuman nyereng jeung cienen sapi.

Si Abah gé tara hawek,urusan peperet mah sokdiémbratkeun ka para anakbuahna; Kang Oyong, KangSaridi jeung Si Obos, gruplengger ‘pembasmi’sasajén. Lumayan kaalatanaga maranéhna téh di -sagedéngeun kurad-korédogé biro jasa dunya lian.Ngan nyéta ku ngalalo -nyéng na, Kang Oyong diti-tah adan mapag mayitkalah ka ngaréngkol di jerobangkarak pasaran.

Kang Saridi masket pisankana kuda lumping. Aturankeur ngali kuburan gé,ngaliwat wéh abringankuda lumping, na da nga -belecet nuturkeun, ngadonririgigan sajajalan. Atuh SiObos nalika bapana sora -ngan keur papanganténanjeung indung téré anyar teukireum - kireum ngadonngintip, ngahéphép di ko-long risbangna.

Enyan aya ku leuwih SiObos mah, éta wé basa keurkerja bakti padat karya, ku-rumuy ti nu bala diabringbalad-baladna bari ngagigi-wing cenah ceuk manéhnaanak kelenci beunang bebe-

dil, mémang enya da barinyorén bedil cuklis. Geusdisisit jaba geus euweuhhuluan diasongkeun kaibu-ibu sina disiksikan lajuditaliiran ajangkeuneunbapa-bapa nu keur diga -rawé ngecor jalan kam-pong. Sawatara kaom ibungagebér saté, nu digarawéarerror pating laliud. KangOtoy tangka ngacay bakatku uruy, Kang Moses nugeunteul tikorona elok-elokan, kari ngadudut gépiraku teu ngagorolong.

Bayangkeun wé, keurcapé bari lapar tengah poééréng-éréngan ngambeuhgirinyih saté, piraku teukokosodan. Teu salabar,brak wéh dalahar dinadaun cau. Kéjona beunangngeduk ti dapur RW, dapan prinsip rayat Endoné -sia mah; banda RW bandarayat, banda rayat cadubanda RW.

Ana soréna sanggeusleleson di arimahna ma -sing-masing, sakur nu nga-hempol sate taya nu ba balongkéngan da sihorengnu disaté téh… beurit.

Peuting keur reyem-reyem , Bah Aih rerencepanka pakuburan Tegal Mati,ngingkig sorangan teumawa balad. Biasa jobnyekar pleus nyebor hi-rasan kulawarga nu kapa -paténan tilu poé katukang.Lain teu ngadéngé ha réng -héng isu jurig pocong, lainpédah teuneung ludeung

Jurig Beungkeut TiluKu Emha Ubaidillah

Page 26: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 25

ogé lain teu ngahodhodkatirisan duméh tukuh wékana pancén. Ari srog ka ja-jalaneun lebah saungpasaran. Gebeg ! sidik pisanhareupeunana aya nu nga-gaclok sing sarwa bodaslebah sirah wéh kukuncu -ngan.

“Deuleu ituh, ieugeningan jurig kuncungtéh!” kagét-kagét ogé BahAih ngagerenyem. Teu bu-rung jantungna eundeur,guyan gayun badis jam ban-dul buatan Walanda. Saki-lat awakna malik barimatek aji lengkah sarébungan teu sadar botol orsonnu dieusi cai kapang-pengkeun meneran pisankana beungeut si jurig be-ungkeut tilu. Bareng jeungsoara ngowowong, Bah Aihngabelesat di tempat aliaskokoséhan.

Pangrasana geus dinagolodog imahna. Jigahnaajian léngkah sarébuna teumetu, camal gara-gara

tamarakan ngahakan satébeurit. Bah Aih ngarandeg,anéh… aya jurig bet nga -goak? Pudugdug kawaninabijil, serebét jekok-jekokpeureup kahotna ngareu -ceuh awak jurig si kuncung,teu kaliwat beungeut jeungpalangkakanana. Enya gépeureupna teu sagedépeureup Chris Jhon tapi arimindeng kaasahna kucitakan bata mah, jurig be-ungkeut tilu gé tangka nga -rihreuh kocéak dengék.

“Ampuun… ampuun,uing ieu mah!”

Bah Aih teu ngawarobeuki wani, posisina asa diatas angin. Ceuk pikirna étasi jurig kuncung téh geus le-ungit kasaktianana. Heueuhpan meureun bisa ngaleu -ngit pantesna gé, cenah di-tonjok gé sok ngeplos jabakudu cicikikikan lain aduhalah. Si jurig kuncung da-dayagdagan, kudawet gebruweh nambru. Sedeng BahAih ngawangun kuda-kuda

ala si Burusli, kadé lain pa-majikan Pa Rusli.

Aing moal méré hojahdeuleu ceuk keretegna. Dajeung enyana peresis MikTisen ngaragragkeun siToni Tubb atawa MuhamadAli nganfaskeun si Joe Nor-ton. Kerewek kana talutugnu nanggeuh dina tihangsaung bari kabayang isukbeurang baris guyursalelembur éar sajajagat;Bah Aih pawang saktinalukkeun jurig pocongTegal Mati. Dina koverKoran Pe er jeung Galabaris ngajeblag pangge-dena; Bah Aih penaklukpocong. Atuh Kang Eca tiMangle moal cicingeunbakal ngamuat carita silatjawara sakti ti Tegal Mati.Kang Aan MP geus pastinulis sasakala Pocong Keok.Jigana Ceu Aam ge moalkakantun ka-inspirasinyieun novel; Cinta DalamSeutas Tali Pocong. Palingheunteu upama si jurig

kuncung geus teu walakayarék digusur ka buruanimahna dibeungkeut dihiji -keun jeung tangkal kalapasedeng si Rw Fajar sinangumumkeun kana sapikermasigit tapi saméméhnageus disiapkeun kéncléngsaridona lima rébu kaluhur.

Teu kabayang munsapoena saratus pangun-jung kali lima rébu, sami -nggu sabulan sataun kalilima rébu, samilieur wépokona mah. Komo ayeunausum internet, kari ngik-lankeun. Kabina-bina teu-ing, moal éléh ku si Ponariurang Jawa. Inget ka dinya,Bah Aih teu ngengkékeun,rikat ngaheumbatkeun talu-tugna. Tapi….

“Ampuuun Bah!... Ampu-uun, ieu mah uing!”

Si jurig kuncungngaweuleuhweuh kencengnaker bari nguniang hu-dang, leungeunna pakupisngudar taregos kuncungna.Bah Aih ngarego, nyentokpaneunggeulna ngan baérada nyangkiweng, gebroweh kana tangkal jarak.

“Hahh!... Silaing Obos?”...pokna reuwas kareureuh-nakeun, bréh beungeut siObos, tarangna nu nong -nong ti kudrat tangka nyo -rondoy sababaraha senti,atuh irungna jadi mancungka jero. Biwir wéh ngabu-laéh kawas keur nyeupah,nya teu aya kajaba korban“keganasan” peureup kahotbogana Bah Aih.

“Jadi…jadi…nu geusngageunjleungkeun lemburtéh, silaing nyah?”

Nu ditalek merekpekunggeuk. Kituna bari lewa-lewé sawatara leungeunkéncana nyangkéhpalangkakan, paur ngage-clik sigana mah.

“Ari silaing… Obos…Obos!”***

Panglawungan 13,Juni 2013

Page 27: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

26 Manglé 2437

Baju lungsuranbawa Euceungalumbrukdina luhureunsamak. Rupa-

rupa, aya erok, kaméja,calana panjang, calana son-tog, ka kamprét kampretaya. Éta kabéh téh bawaEuceu, paméré dununganEuceu di dayeuh. Bagéurcenah dunungan Euceu téh,mana ning teu pindah-pin-dah ngadununganana téh.Padahal geus aya tilu taun -na laladén di dinya téh.

Da enya, karasa ku ku -ring saréréa gé, unggallebaran saimah-imahkabagi papakéan. Lain waé

lungsuran, tapi nu weuteuhgé, aya. Komo keur kuringmah aya meunang dua setélnu weuteuh wungkul téh,tacan nu lungsuranana,leuwih ti cukup. Mana sa-taun campleng tara meuli-meuli pakéan.

“Geura ajaran Ujang tahbaju anyar téh, cukup hen-teu? “ ceuk Euceu bari nyo-dorkeun kaméja weuteuhnu aya kénéh mérekan.Kaambeu seungit toko.

Baju ditampanan. Rapdipaké. Ema mencrongkana beungeut. Kuring nga-balieur. Naon maksudnaEma nempo ka kuring?Kasieunan kuring nanya -

keun deui Bapa kitu? Moal, kuring moal

nanyakeun bapa. Sababgeus rébuan kali nanya -keun bapa, Ema kalah sokrambisak.

“Iiiih ari Ujang kalahngahuleng, lain geura rappaké, méh kanyahoangedé leutikna. ” CeukEuceu teugéug.

Gancang baju dipaké.Pas pisan na awak. Emajeung Euceu marelong.

“Meujeuhna géuning.Bisaan ngapasna lanceukUjang mah” ceuk Emadaria. Euceu dipuji téhnyéréngéh wé.

“Baju baju lungsuran

mah teu kudu diajaran, dapasti mareujeuhna, apananak dunungan téh awak -na sarua jeung ujang.Ngan itu mah kulitnabere-sih teu hurik kawas Ujang.” Ceuk Euceu ngabanyo -lan.

“Nya enya atuh bédanya, Jang . Itu mahulinna gé moal leleduganmoal papanasan kawasUjang. Cicing dijero gé-dong. Mun kaluarkaiuhan da dimobilan.Deuk hurik kumaha ?”ceuk Ema mangmeu-nangkeun. Kuring seurikonéng.

Mun Euceu teu gawémah, kuring moal bisamaké baju weuteuh, moalbisa boga salin lungsuranparanti ulin, meureunkawas si Nana wé, ukurmamaké calana rabetjeung kaos nu geus sigapangutahan lalay. Tapi daEuceu mah bagéur ka siNana téh, sok méré bajulungsuran unggal lebarangé. Pikarunyaeun si Nanamah, najan enya gé ba-pana aya tapi da tanpadaksa, gémpor geus nau-nan. Da asalna mah hen-teu kitu, biasa wé jagjagbelejag, sok buburuhngabedug. Sok padangahiras ku nu jaregud,da hampang birit. Nganbasa si Nana karék sup kaesde, bapana géringparna, bulan-bulan.Cagéur deui geus diubaraber téh, ngan sukuna jadilumpuh teu bisa leum -pang. Pajar ceuk si Nanamah kausap korod. Ah,naon patula patalina gém-por jeung korod? Ah dasarsi Nana ka kolot téh.

“Ma, kari meuli sarungjeung sendalna keur siUjang téh. Isuk wé Emaka pasar, bari sakalianmeuli béas ketan hideung,urang meuyeum. Pas munisuk meuyeum téh, tilu

Carpon Holisoh ME

Dulag Pamungkas

Page 28: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 27

poé. Lebaran bisa didahar,“ ceuk Euceu bari ngaje -wang kantong leutik nu di-tunda gigireun kuring.Pasti nyokot duit.

Tuh da enya wé, Euceunyokot lokét tina kantong -na. Sok mikeun duit nubareureum tilu lambar.Mani ngadaregdeg Ema na-rimana téh.

“Syukur Nyai , manisagala diurus ku nyai. Timimiti dahar nepi ka kabu-tuhan lebaran, Nyai nunanggung. Hampura Ema,“ ceuk Ema bari carinakdak.

“Keun waé Ema tong jadipikiran. Da uing gé ridolilahi taala. Meureun manadunungan nyaaheun gé kauing, éta téh du’a Ema. Eu-wéuh du’a ti indung mahuing téh kawas si Cicahgawé pipindahan dunun-gan, da garalak. ” CeukEuceu daria.

“Heueuh da sakudunamah Nyai téh lain bubujang.Kahayang mah Ema mahsakola. Sugan wé ari pintermah moal kawas kolot ukurtukang buburuh ngabedug.” Sora Ema mani ngahelaskadéngéna téh. Kuciwa kudirina meureun, teu bisanyakolakeun anak.

Da pasti lah Ema téhsarua jeung Ema Ema nuséjén, hayang kahirupananak leuwih undak batankahirupanana. Hayangleuwih palinter méh bisangarobah nasib saréréa.Ngan ku teu daya teu upayaangen-angen Ema téh teukahontal. Karunya.

“Aaah, keun baé Ematong dipikiran. Geus nasibmeureun urang mahhirupna kudu kieu. Dipiki-ran mah ka géring géringawak. ” Sora Euceu kacidadatarna. Bangun teu bogabeban. Kadéngéna téh enya-enya pasrah kana perjalan -an hirup. Ema ukurngarénghap.

“Hayang hayang teuingmah boga anak sakola, keun

ku uing si Ujang urangsakolakeun sing luhur. ”Ceuk Euceu deui semu ngu-pahan Ema.

Leuh, mani bungahngadéngé Euceu deuknyakolakeun téh. Bungahpisan. Irung gé asa deukngapung. Sugan wé munsakola luhur mah, bisaneangan bapa nu indit tiimah basa keur kuringumur sataun.

Da bongan, mun nanya -keun ka Ema mah tara nga-jawab, ukur dijawab kucimata. Nanyakeun ka ninisarua ukur dijawab kucimata. Ari nanyakeun kaEuceu mah pasti ingét , daharita basa bapa ninggal -keun téh Euceu geus umurlima taun. Ngan Euceumoal daék ngajawab, najandipaksa paksa gé, kawas nutrauma. Malah jiga nuhayang mopohokeun kanaéta kajadian.

Jadi bapa téh ninggal -keun ieu imah geus duawelas taun. Lin waktu saeu-tik welas-welas taun téh.Pan ayeuna kuring geuskelas génep, geus tilu welastaun, Euceu geus tujuhwelas taun.

Nyaan geus lila nya. Manapantes mun kuring nanya -keun bapa geus rébuan kalitéh. Komo mun diitungjeung nu unggal lebarankuring nanyakeun bapamah, leuwih ti sarebu kali.Pan unggal rék puasa atawapiisukaneun lebaran,mangsa dulag pamungkaspasti kuring nanya ka Ema,deuk balik moal si bapa téh?Sabab teu weléh nepi kadulag pamungkas mahmasih kénéh aya harepanBapa balik.

Tapi luput, diarep-arepnepi umur kuring tiluwelastaun, bapa teu datang waé.

Ah, boa lebaran ayeunamah datang deui. Saha nunyaho, si Bapa ngarasasono ka kuring.

Rébuan kabungah, ka -

bagja, kasuka, pacampur najero dada. Tangtu lebaranayeuna si Bapa datang.Tangtu datang.

“Ku naon Ujang seuri so-rangan?” ceuk Ema barikerung.

Gebeg, haté ngaranjug.Reyyy beungeut asabeureum, kaéraan.

Ngalamun téh jero-jeroteuing, nepi ka asa enya,bapa deuk datang lebaranieu. Haté asa yakin pisan.Kapédéan, awahing ku geushayang geura gok jeungbapa. Hayang geura nempobeungeut bapa téh sigasaha? Naha siga Euceuatawa siga kuring.

Da mani sok kabayang-bayang , unggal detik ung-gal ngarénghap. Na sigakuring? atawa siga Euceu?

“Bungah meureun Ema,meunang baju loba, ” Euceunu nembalan téh.

Ema tarangna kerungbari panonna mani antebneuteup panon kuring.

Kawasna Ema teu per-cayaaeun kana naon anudilisankeun ku lanceuk ku -ring.

“Bener Ujang bungahpédah loba salin?” ceukEma daria nanyana. Kuringngahuleng. Embung ngabo-hong ka Ema mah, sababEma mah sakti sok nya-hoeun naon nu aya dinahaté kuring. Tapi haté asateu wasa mun balaka, yénkabungah kuring téh pédahgedé haté yén lebaranayeuna Bapa pasti balik.Ngan teuing iraha. Na poéieu, poé isuk atawa engkéwaktu dulag pamungkasditabeuh dimana jelema-jelema tingaraleut ka lapangbal rék sarolat ied.

Tapi naha luas kuringnepikeun naon nu aya najero haté ka Ema? Kumahalamun bapa teu datang? teudatang poé ieu, teu datangpoé isuk teu datang ké di-mana dulag pamungkas di-takol. Kuciwa meureun

saréréa. Jeungna deui, nyanya-

hoanan maké deuk datangsagala. Apan nu nyaho di-mana ayana bapa téh iwal tiEma meureun. Mana kur-ing sok nanyakeun gé di-mana bapa iraha deukdatang ka Ema. Ari ayeunasayong nyanyahoanan.Padahal saukur ngandel -keun kereteg haté. Bari teu-ing bener teuing hanteu.

Ah, bingung, kudu nga-jawab kumaha ka Ema.

“Enya, Ma. Uing téhatoh, meunang baju loba.Baju lungsuran ongkoh,baju weuteuh ongkoh. ”Tembal téh.

Tapi Ema mencrongnakalah beuki seukeut. Samasakali teu percaya. Kuringsamar polah. Tuh nya, ceukkuring gé Ema mah sakti,bisa maca eusi haté kuring.

“Aya deui, Ma nu matakuing bungah “ nyarita téhrada asa-asa.

“Naon ?” tanya Emadaria.

Sakeudeung kuringngahuleng. Ngumpulkeunkakuatan pikeun ngabu-dalkeun eusi haté. Sababkeukeuh haté téh sieun,sieun Ema kuciwa. SieunEma ceurik.

“Pok pok atuh Sujangdeuk nyarita mah,“ ceukEuceu bari nilepan deuibaju nu wareuteuhna, nukeur kuring jeung Ema.

Panon ngarérét ka Euceu.Nu dirérét unggeuk. Kawasméré kakuatan unggeuknaEuceu téh. Timbul kawani.

“Lain, Ma. Uing téh bogakayakinan bapa dinalebaran ieu bakal datang.Meureun geus welas-welastaun sono ka anak sono kaEma. Pasti, Ma , bapa gé so-noeun ka urang. ” Ceuk ku -ring tatag nyarita téh.

Tapi Ema teu némbal,kalah carinakdak. Euceungaheruk, tungkul.

Anggér Ema mah mundibawa nyarita urusan Bapa

Page 29: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

28 Manglé 2437

téh sok léwéh.Pikakeuheuleun. Manalanceuk kuring mah tara pi-rajeunan nanyakeun bapa,da éta meureun sok gampilmurubut cimata. Atawapédah teu penting meureunBapa téh keur Euceu mah,sabab mangnyerikeun kaEma. Apan geus hidengbasa bapa ninggalkeunimah téh, geus ngarti,cenah mah méméh indit téhpaséa rongkah alatan siBapa kanyahoan kawin deuika urang Cisayong. Ema di-cabok ku Bapa, jaba disun-trungkeun kana pantonepika Euceu gé milu ti-jengkang da puguh Euceukeur nanangkeup Ema. Etatéh carita Euceu basalebaran taun tukang, pédahkuring maksa ka Emaménta jawaban.

“Sok sayong manéh mahSujang. Kumaha mun teudatang? “ ceuk Euceu barikerung tarangna.

“Bet barina gé sok nga-hayal nu lain lain, Ujang.”Tempas Ema bari ngaba -lieur miceun beungeut.

“Da ieu mah ceuk haté,Ma. Ceuk haté Ujang,” tém-bal kuring daria.

Ema kalah salah pelongjeung Euceu.

Taktak ditangkeup kuEuceu. Karasa ramo ra-mona ngusapan tonggong.

“Ngado’a wé ka GustiAlloh. ” Euceu ngaharéwoskana ceuli kuring. Lalaunansirah unggeuk. Tapi hatébeuki sumangét, beukiyakin, yén bapa dinalebaran ayeuna bakaldatang. Bakal ngariung diimah bari balakécrakanngadahar kupat jeung opor.Bakal ngariung bari ngaropijajabur. Heug ari lebaranmah sok loba dahareun.Euceu sok olah-olah. Jabasok dikaririn ku dulur dulurti Ema jeung ti Bapa.Kararunyaeun meureunpédah bapa teu balik balik.

Peuting ieu mah saré téhtibra naker, malah lin kur-

ing waé, tapi Ema gé jeungEuceu sarua talibra nepi kateu saur.

***Pidua poéeun deui ka

lebaran, di lembur haneu-teun. Nu digarawé di da -yeuh geus mimiti jul jolmarulang, bari angkaribungbararangbawa.

Tukang ojég maréma.Ongkos gé ditaékkeun. Tapipayu wé taya deui piliheun.Ongkos tihareup téh bi-asana mah sapuluh rébunepi ka lembur téh, ayeunamah limalas rébu. Nengahnaékna gé. Tapi da taya nuprotés, nu penting mahhayang geura tepi ka lem-bur, guguar oléh-oléh.

Kuring mah ngadaweungwé di pos ronda, nu nyang-hareupan jalan désa, lalajonu lalar liwat dina ojég.Sakapeung sok ditempodi-mana turunna nu kana ojégtéh, bisi turun di buruanimah kuring. Mun turunhareupeun imah kuring,tangtu éta bapa. Ari nutarumpak ojégna awéwémah tara diperhatikeun.Haré-haré wé.

Euceu geus néang duakali nitah balik, méntadibantuan meuleumanopak. Teu didéngé. Datangdeui si Odang titahan Ema,nitah kuring balik, méntadibantuan meresihan laukkeur paisan. Teu didéngékénéh. Na teu nyaraho kitumaranéhna téh, yén kuringtéh keur megat, sugan bapadatang. Na teu arapaleunkitu maranéhna téh, yénkuring téh kacida pisanhayang tepungna jeungbapa. Hayang mireungeuhbeungeut Bapa, anu samasakali kuring teu apal ru-pana. Ku naon maranéhnabet teu ngarti kana haté ku -ring? Apan Ema téh saktibisa maca haté kuring, bisangorobét haté kuring. Nabet henteu surti waé?

Haté ngarakacak. Sedihpisan. Ti kelas hiji esde ku -

ring sok ngarep-ngarepbapa téh. Da geus ngarti,umur tujuh taun mah. Geushayang hirup ngariungjeung kolot. Indung bapajeung lanceuk. Resep munbuka mun janari téh ngara -riung balakécrakan, najanukur jeung pais peda, sam-bel goang, seupan génjér,tapi bakal karasa nimatna.

Padahal ti umur lima taunkénéh kuring geus diajarpuasa. Geus kuat puasa.Tara batal sapoé gé. Tapitacan pernah ngariung munbuka atawa saur jeung nungaran Bapa.

Matak meujeuhna munayeuna geus umur tiluwelastaun, haté ajol-ajolanhayang nyaho Bapa.Hayang ngasaan kanyaahbapa. Asa kumaha nimatnahirup ngariung jeung bapa.

Ayeuna geus umur tilu -welas taun, haté marudahhayang geura nempo beu -ngeut bapa. Hayangngasaan kanyaah bapa.Geus sono kana rupa bapajeung kanyaah bapa téh.

“Ujang, balik heula ceukEma. Bantuan nyabutanbulu hayam cenah.

” Pikeun ngaopat kalianaya deui nu néang. Si Ajidbabaturan ngaji nu imahnaukur kahalangan ku dapu-ran cau.

“Béjakeun ka si Ema,Ajid. Uing téh keur megatBapa. Sugan wé balik mawasapédah. ” Témbal téh baridadapangan di jero poskamling.

“Gundam manéh mahUjang. Lin geus paéh bapamanéh mah?” ceuk Ajiddaria. Kuring ngoréjat hu-dang. Awak asa dipupulbayu.

“Ceuk saha bapa urangpaéh, Ajid? Ceuk saha?”sora kuring teugeug kaju-rung ku kareuwas jeungambek.

Si Ajid ngabéléhém. “Ceuk saha siah bapa

urang paéh?” tanya téhbeuki panasaran.

“Teu kétang . Teu paéh.”Ceuk Ajid bangun sieun.

“Ngareureuwas siah.“Nyentak nyarita téh keuheultuda. Bapa keur dilamun -keun poé ieu atawa poé isukbakal datang, derr disebutpaéh.

Gék si Ajid diuk na balé-balé pos kamling. Peresis gi-gireun kuring. Sukunaucang anggé.

“Manéh geus boga bajulebaran Ujang?” tanyanabari ngarérét ka kuring.

“Enggeus,” témbal téhheureut. Rada keuheulkénéh, tadi ngareureuwas,nyebutkeun bapa kuringgeus paéh.

“Sarua, uing gé geusboga. Ku Apa dipangmeu-likeun sasetél,“ témbalna.

“Ngan sasetél? Éléh kuuing atuh nu euweuh ba-paan, boga lima setél. ”Ceuk kuring daria. Bari radamapanas. Da enya, ari nuboga bapa ukur dipangmeu-likeun sasetél. Sedeng ku -ring nu euweuh bapana,boga lungsuran tilu setél,boga nu weuteuh dua setél.Acan sendal, kopéah jeungbaju koko. Waaah kumplit.

Si Ajid mencrong beu -ngeut kuring mani anteb.Na teu percayaeun kitu?

“Teu percaya, Jid?Tanyakeun wé ka si Euceubisi manéh teu percayamah. Da bawa si Euceu tikota kabéh gé, iwal ti sendaljeung kopéah nu meuli didieu mah. Tapi da duitnamah ti si Euceu keur meulisendal jeung kopéah gé. ”Ceuk kuring rada mapanassi Ajid.

“Boga loba atuh nya?”tempasna.

“Nya heueuh. Lumayansataun mah teu kudu meulibaju.” Ceuk kuring daria.

“Digawé naon di kotanalanceuk maneh téh, Jang ?”tanyana. Kawasna waépanasaraneun, lanceuk ku -ring bisa makéan sakalilebaran lima setél. Sedengmanéhna ukur meunang

Page 30: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 29

sasetél. Éta gé boa meunangindungna kumpal-kempil,ladang buburuh bapanangabedug.

“Ngasuh anak dunungan.Nganganteur sakola, nung-guan di sakola. Ngurusdahar pakéna. Husus wébudak éta.”

“Leutik kénéh ?” tanyanamani saregep.

“Pantaran uing. Matak ba-juna gé sarua saawak. Kelaslima.” Kuring ngajéntré -keun. Tapi si Ajid kalahseuri.

“Naon maké seuri, Ajid?Teu percaya?” rada nyurengngomong téh.

“Lain teu percaya, ngananéh wé gedé-gedé ditung-guan di sakola. Di urangmah kelas hiji gé geus arem-bungeun ditungguan. Ieumah kelas lima ditungguan. .. ? Anéh.” Ceuk Ajid barikerung.

“Tong anéh di kota mah.Ceuk Euceu gé, anak nujegud mah bisi diculik, manaditungguan. ” Ceuk kuringngajéntrékeun. Si Ajid maniolohok ngadéngé carita kur-ing téh. Teu héran kuringmah, da si Euceu unggalbalik sok nyarita keun anakdununganana. Cenah mahtara ulin balan trak kawaskuring. Teu ba lantrak kawasurang lem bur. Cicing wé diimah, maén komputer.Maén gim. Waktuna dahargé kudu dihuapan ku Euceu.Mana Euceu gé senang, daukur nungguan jeung miluaktipitas anak dunun-ganana. Saminggu sakalisok ulin ka toko gedé nusagala aya. KawajibanEuceu mah nutur nuturanak dunung anana. Ngananéh cenah anak dununganEuceu mah teu siga uranglembur. Pan di lembur mahalakur, leut kaditu leutkadieu téh silih sampeur.Arulin babareng an. Ari ieumah hésé akurna jeungbatur téh. Mun saka lieun di-tanya gé ku kolotna, sokrada haré-haré. Akurnasaukur jeung komputer,

jeung cocooanana. Anutnatéh ka Euceu. Bubuhansagalana diurus ku Euceu.Da nyebutnaa gé cenahEuceu. Heuheuy deuhhayang seuri, anak dunu -ngan nyebut Euceu kalanceuk kuring. Cenah mahceuk dununganana kududaék disebut Euceu, méhbudak nu diasuh téh teuleungiteun. Apan lanceuknaéta budak nu maot alatankanker uteuk téh, saumurjeung Euceu. Paingan nyaa-heun ka si Euceu. Mani brobroan barangbéré mun rékbalik ka lembur téh. Jeungtara meunang lila mun kalembur téh paling lila tilupoé. Ayeuna gé sakitu le -baran si Euceu mah ukurdibéré peré opat poé. Kudugancang balik deui, da bu -dak leungiteun ditinggal -keun téh cenah.

“Aya kénéh culik nya dikota mah ?”ceuk Ajid daria.

“Heueuh meureun,” tém-bal téh heureut.

“Sugan téa culik téh paculdina bilik,“ ceuk Ajid bariseuri. Kuring gé nyéréngéh.

Nepi ka reup Magribnagog di pos Kamling téh.Tapi nu diarep-arep teu jolwaé. Kawasna moal poé ieumeureun. Sugan wé engképeuting atawa janari. Pirakuapan engké peuting téhmaleman takbir.

Kuring masih tetep neun-deun harepan. Gedé harep -an malah yén bapa bakaldatang sabada welas-welastaun ninggalkeun kuring.

Mun datang téh kuringdeuk ngarangkul awakna.Deuk nyarandé kana tak-takna. Deuk neuteup be-ungeutna jeung deuk nanya keun, ka mana waé salila ieutéh, nepi ka welas- welastaun ninggalkeun kuring.

Baé lah nanya kitu gé,moal ambek meureun. Ku -ring ngarénghap. Rénghapnu pinuh ku pangharepan.Rénghap nu pinuh ku ka -bungahan sabab sakeude-ung deui bakal tepung jeungbapa nu nyababkeun kuring

bisa kumelendang di alamdunya. Bapa nu ngayuga.

***Buka pamungkas téh

mani euyeub deungéuna.Da puguh keur nyadiaanisuk lebaran. Aya oporhayam. Si Jago tatéh, hayaminguan kuring dipeuncit.Mun lain si Euceu nu mén-tana mah, moal dibikeun.Aya pais lauk emas, manipinuh ku surawung jeungcéngék. Sarua ta gé sasadia -an keur isuk. Tapi ceukeuceu, keun waé sawaréhkeur ayeuna, da loba cenah.Lauk emas gé mais dua kilo.Bérés buka, jul-jol nu nyam-peur ka tajug.

“Urang takbir Ujang “ceuk si Kundang bari kalacatunggah kana golodog.

Puguh horéam takbirantéh. Horéam pisan. Bisibapa datang, kuring teunyaho, kabongohan. Sababkuring mah hayang nupangheulana ngarawuleung eun bapa, nyium le-ungeun bapa. Embungkapiheulaan ku Euceu.

“Urang mah deuk takbir diimah.” Ceuk kuring barinyampeurkeun ka balé.

“Teu ramé di imah maheuy. Di tajug mah baringadulag sakali séwang,“témbal Gani bari ngosom.Teuing keur ngadahar naon.

“Baé lah lebaran taun ieumah deuk takbiran di imahwé.“

“Eééh, na teu kabitangadulag ngurilingan lem-bur?” keukeuh wé Gani mahmaksa. Tapi kuring gékeukeuh wé embung. Bisibapa datang.

“Baé Gan lah, meureun siUjang mah hayang takbiranjeung lanceukna. Sonoeun.Apanan pagéto gé lanceuknabalik deui ka kota. Hayu lah,urang wé, ” ceuk Kundangbari ngaléos.

“Hééh bener Ndang .Uing téh hayang sosonoanjeung Euceu,“ ceuk kuringmani asa dibantuan ku Kun-dang.

Kundang nyéréngéh seuribari ngagupay ka kuring.Kuring gé ngabales, ngagu-pay. Enya wé teu kungsi liladi tajug ramé ku sora bedugjeung sora nu takbir. Maniramé. Allohu Akbar, AllohuAkbar, Allohu Akbar, Laila-hailalloh huwalloh huAkbar. Allohu Akbarwalilahilham.

Biwir ngunyem nurutan.Mani asa tingsérését haté.Asa jauh panineungan. Naéta kitu pédah takbir bariaya nu didagoan?

Gusti, mudah-mudahandatang nu didagoan téh.Mudah-mudahan nu salilaieu kapicangcam dina im-plengan téh, ngawujud ha -reupeun kuring.

Gusti, dangu atuh ka-hayang abdi. Hayang bapadatang peuting ieu kénéh.Méh kuring apal rupana.Méh kuring bisa salampataréma dampal leungeun.

Tapi luput, nu diarep-arepti mangkukna, euweuhdatang. Padahal peuting ieutéh peuting pamungkas anudipiharep pisan, bapa bakaldatang. Beuki ngagayuh kajanari, panon beuki lep-lepan, tapi ceuli jeung hatédipasang, bisi aya nukeketrok kana panto tepas.

Aaah, nu diarep-arepkeketrok, nu diarep-arepgegeroan téh euweuh, lapurnepi ka dulag pamungkaseuweuh jol.

Haté kacida sedihna. Munteu éra mah hayang ceurikjejeritan, hayang gogo -rowokan, ngabéjaan batur,yén haté kuring kacidapeurihna, geus dibobodo kuangen-angen.

Indit ngabring ka lapangmaén bal gé, asa lalungsé,asa horéam, najan makékopéah anyar, baju kokoanyar, sendal anyar gé. Dagéuning hayang panggihjeung bapa mah teu kaupa-han ku paké sagala anyar.***

*) Keur incu-incu ku -ring. Kiki, Vivi, Ratu,

Damar.

Page 31: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

30 Manglé 2437

Runtah mangrupa pasualan anu teuweléh disanghareupan ku kota-kota gedé, kaasup Kota Bandung.

Pikeun ngungkulan pasualan runtah diKota Bandung, pamaréntah rencananarék ngawangun infrastruktur pikeun ngo-lah runtah nu neueul kana téhnologiramah lingkungan. Éta rencana bakal di-laksanakeun kalawan gawé bareng jeungbadan usaha, ngaliwatan sababarahatahapan nyaéta tatahar, natawarkeun,nyiapkeun kasapukan perjangjian jeungpihak pausahaan, palaksanaan, monitor-ing, jeung évaluasi nu kiwari keur di-padungdeungkeun jeung pihak législatip.Éta hal ditétélakeun ku anggota Pansus(Panitia Khusus) DPRD Kota Bandung,H. Kusmana, ka Manglé sawatara waktunu kaliwat.

Dumasar kana Perda (PeraturanDaerah ) No.12 taun 2010 ngeunaan“Penyelenggaraan Kerjasama Daerah”,ditétélakeun yén rencana gawé bareng nujadi beban daérah jeung masarakat turcan dianggarkeun di APBD kudu ayakasaluyuan ti DPRD. Ku kituna, pa-maréntah Kota Bandung keur nata-harkeun gawé bareng jeung pihaksawasta pikeun ngawangun PLTSa (Pem-bangkit Listrik Tenaga Sampah), numangrupa salah sahiji tarékah pikeunngungkulan pasualan runtah. Sabanpoéna, runtah kudu diangkut ku 200 kon-téner ti sababaraha TPS (Tempat Pem-buangan Sementara) nepi ka TPA(Tempat Pembuangan Ahir). Dina taun2012, runtah anu kaakut ngan 69 persén,sarta taun 2013 naék jadi 85 persén.Saban taun produksi runtah di sakulianKota Bandung terus naék.

“Upami tos réngsé dipadungdengkeunsareng législatip dugi ka medal jantenPerda, éta program ngolah runtah nuneueul kana téhnologi nu berwawasanlingkungan sareng ékonomi, anu disebatPLTSa, kedah saénggalna dilaksanakeunku Pamaréntah Kota Bandung sarta pihaksawasta boh sawasta ti luar negri bohsawasta pribumi. Mari pasualan runtah

mangrupi salah sahiji pasualan krusialKota Bandung,” kitu ditandeskeun ku H.Kusmana, anu kacatet ogé minangkaanggota Komisi C DPRD Kota Bandung.

Sawatara waktu ka tukang, éta programPLTSa téh kungsi diprotés ku masarakatdi sabudeureun tempat PLTSa. Nu jadialesanana, sieun kaganggu katengtrem-

anana, sarta jadi bibit buit kasakit kamasarakat anu aya disabudeureun lokasiproyék PLTSa. Padahal pamaréntah KotaBandung geus nyieun kajian jeung pihakakademis sarta para ahli lingkungan, ogéjeung pangusaha anu rék ngayakeungawé bareng jeung pihak pamaréntah.Hasilna, éta proyék nu geus dilak-

Kota Bandung Butuh PLTSaPikeun Ngungkulan Pasualan Runtah

Anggota Pansus DPRD Kota Bandung, H. Kusmana

Page 32: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 31

sanakeun di nagara batur téh henteumatak bahaya ka masarakat.

Proyék PLTSa geus dirancanakeunsababaraha taun ka tukang, tapi ku lan-taran loba pisan hahalangna, salian tihéséna néangan lahan anu lega téh, ogéalatan réana masarakat anu teu satujukana éta proyék, antukna kakara bisa di-padungdengkeun di législatip taun ayeu -na. Dipiharep, sakabéh masarakat nya tujuan éta program pamaréntah KotaBandung. Lantaran pihak pausahaan anurék ngagawéan proyék ngajamin moalaya pangaruh anu négatip ka masarakatdi sabudeureunana.

Pamaréntah Kota Bandung metakeunihtiar pikeun nangtayungan masarakat disabudeureun lokasi PLTSa. Di antaranaku cara ngayakeun seléksi anu ketat pihakpausahaan anu rék ngajalankeun gawébareng, sarta kudu tuhu kana aturan anuaya dina naskah perjangjian. Pihak pa-maréntah ogé bakal ngayakeun panga -wasan anu leuwih ketat dina prak-prakanngalaksanakeun éta proyék.

Nepi ka danget ayeuna proyék PLTSatéh kakara nepi ka tahap pra kualipikasi.Dina lélang kacatet aya 6 pausahaan anungajukeun perjangjian kontrak. Hasil tinaseléksi ngan kari tilu pausahaan, nyaétapausaan ti Cina jeung Taiwan, sarta hijideui pangusaha di Indonesia. Lahan anudibutuhkeun 20 héktar, nyaéta lima hék-tar keur ngawangun fisik PLTSa sarta 15héktar keur “ruang terbuka hijau”.

Anu geus dilaksanakeun dina ngung -kulan pasualan runtah di Kota Bandung,ngaliwatan PD Kebersihan anu dilak-sanakeun di 10 TPS, nyaéta ku cara ngo-lah runtah maké pola 3 R anu hasilnangan ukur 9 persén. Kitu deui ku caradaur ulang jeung cara dijieun kompos,anu dilaksanakeun wadah-wadah runtahanu aya di padumukan, tempat komérsilsaperti mol, pasar, jeung pakantoran anujumlah ngan ukur 7 persén. Jadi, réréanamah runtah téh kudu diakut ti TPS kaTPA.

Pasualan séjénna, nyaéta masih kénéhréa masarakat anu miceun runtah kawalungan jeung ka solokan, anu nga-balukarkeun caah jeung banjir cileuncangdi jalan. Ku lantaran kitu, aparat kalura-han kudu ngayakeun pambinaan sangkanéta kabiasaan goréng téh bisa dieureunan.Dipiharep, lamun proyék PLTSa anusaban poéna bakal nampung 700 tonruntah geus ngajanggélék, moal aya deuimasarakat anu miceun runtah ka walung -an jeung ka solokan (drainaseu), lantarankabéh bakal kaolah ku PLTSa.***

Cucu/Dédé

Runtah jadi pasualan di saban kota gedé (nét)

Masarakat masih kénéh réa nu miceun runtah ka walungan (nét)

PLTSa dijamin aman pikeun masarakat anu aya di sabudeureunana (nét)

Page 33: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

32 Manglé 2431

II

Mang Umrikate-lahna.Pan-gawakana

na pendék leutik, umurnageus tengah tuwuh. Sartalain ku lantaran geus ten-gah tuwuhna waé nu matakdiemang-emang téh. Ditempat gawéna, MangUmri kaselir minangkapesuruh kantor, tukang di-tutah-titah ku saréréa.

Pasusubuh geus ngen-cling sorangan kana sapé-dah. Teu kaburusasarap-sasarap acan. Ukursamet nyaneut ku kopisatengah gelas jeung ududsabatang. Geus kitu mahgeuleuyeung baé ngaboséhsapédahna, mapay-mapayjalan anu tiiseun kénéh.

Nepi ka anu dijugjug jamsatengah genep isuk. Supka kantor, tuluy muka-mukakeun jandéla, ma -reuman lampu, beberesihjeung bébérés kantor. Béréséta, néma kana ngelapan

méja jeung kaca, ngepél,kukumbah, katut nyapuanburuan. Sanggeus kabéhréngsé, kakara manéhnabisa reureuh sakedapan ditukang, bari tumaninahsasarap sangu tiis sésapeuting, meunang nga -bungkus atawa diwadahandina misting, bawana tiimah. Biasana nalikamanéhna am dahar téhgeus jam satengah dala-panan, bareng jeungdatangna nu séjén. Sartalamun sumping Bapa Ping-pinan, Mang Umri mah

geus hideng sorangannyampeurkeun. Najan keurmeumeujeuhna ngalimedogé sok gura-giru kokocokheula. Tereleng ka hareup.Tuluy imut bari unggeuk.

“Geus daratang nuséjén?” taros Bapa Ping-pinan.

“Nembé sapalih, Pa,”témbal Mang Umri.

Paguneman anu geusngabaku unggal isuk.Sakapeung sok diémbohanku laporan anu sakiranaperlu ditepikeun.

Sanggeus Bapa Ping-

Di Hiji Kantor

Cartibag Lugiena De

Page 34: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 33

pinan lebet ka rohangan -ana, Mang Umri gé balikdeui ka tukang; panyici -ngan matuh manéhna dikantor. Tuluy wé ngajentuldi dinya, ngadago-dago bisiaya nu butuh ku tanagana.Turta tara lila ogé soktingtorojol panitah téh.Pangmeulikeun anu téa,motokopi naon téa, ieubérésan, itu ampihan, katutréa-réa deui paréntahréméh séjénna.

Nalika jam istirahat,wayah tengah poé, munkeur alus milik mah sokaya anu nitah mangmeuli -keun dahar beurang kamanéhna téh. Sarta tinaparéntah nu éta mah sokrajeun meunang buruhsangu sabungkus. Atawasahenteuna ku duit anupangajina bisa dipakémeuli sangu sabung -kuseun. Cohagna moalngongkrong teuing nahanbeuteung lapar.

Sup deui jam satu, torojolbaé panitah téh daratangdeui. Nepi ka bubaran kan-tor jam lima soré éta téh.Sarta nalika geus waktunabalik ogé, ari kantor canbener-bener kosong mahdaék teu daék kudu man-deurikeun manéh. Kakarasanggeus taya saurang-urang acan, manéhna lajupapariksa ka unggal ro-hangan, sakalian ngahu-rung-hurungkeun lampu.Tarapti bari imeut, sagaladitempoan. Sanggeus cékpangrasana taya nu kali-wat, jung baé balik.

Kitu baé unggal poé ogé,ti wayah meleték srangéngétug ka surup panonpoé.Datang pangisukna, balikpangburitna, pulang antingkana sapédah. Unggal poédilakonan kalawan sadrah,narimakeun kadar anungan sakitu buktina.Manéhna percaya, yénjalan hirupna mémanggeus kagambar kitu dina

gurat dampal leungeunna,anu sasanggaleun balasunggal poé dipakéngeukeuweuk setang sapé-dah.Tapi teu euweuheun,sakapeung mah manéhnaogé sok rajeun aya gerentesngarasula. Utamana lamundikurupkeun kana duitgajih anu teu sabaraha.Dina keur nyalséna,manéhna sok ngalamun,ngadon ngabundang-band-ing nasibna sorangan jeungkaryawan séjénna. Kacin-dekanana angger taramencog. Di éta kantor nyamanéhna pisan pagawéanu pangmasakatna téh.Nu séjén mah kapandatang ka kantor téh mo-motoran momobilan. Arianu ngalatrak sasapédahanukur manéhna sorangan.

Padahal ayeuna mahawakna geus karasa mimitiropoh. Ku bulak-balikmaké sapédah ogé teuwudu matak nyeri cang -kéng. Kitu deui kawajibandi kantor. Batan ngurang -an, asa kalah nambahan.Uncag-incig taya reu -reuhna, gup-gap sagala di-cabak. Tug ka dinaempro na sok kalah paba -liut sorangan. Antuknarécol wéh pagawéan téhjadi réa salahna. Teu wudunepi ka remen meunangpanggelendeng ti nu nitahtéh. Ari manéhna mahtibang wasa ngawalon kukecap “punten”, teu kurangteu leuwih. Samet surti baé,yén saréréa keur riweuh kupagawéan. Ongkoh deuihngarumasakeun ukur pan-tar pagawé pangbutitina.

Lamun panyakit ngara-sulana keur kanceuh,manéhna sok tuluy nyieunbabalitungan. Manéhnagawé di dinya téh geusampir saparapat abad. Tapikahirupan asa taya robah -na. Saparapat abad jadipesuruh, saparapat abadogé ngan dititah jeung diti-

tah baé. Kacida matak pi -kaboseneunana. Antuknasok rajeun aya ras ingetan,rék saabad atawa sataunogé taya bédana. Enya,angger baé ngan dititahjeung dititah.

Kitu deui di imah. Ti poéka poé anu kapanggih kumanéhna ukur karungsing.Geus puguh ari anjukhutang urut rupa-rupakaperluan mah. Geus teuanéh deui éta mah. Tug kamanéhna sorangan sokmikir, yén geus kitu titistulisna saupama duit téh dimanéhna mah tara betahlila-lila. Teu samet dinyawungkul. Pamajikananaayeuna jadi remen jebras-jebris. Kitu deui budakcikalna, anu sanggeusnalepas ti SMA téh jadi resepkokoboyan. Tapi kumanéhna ukur wasa di-teumbleuhkeun kana nasibgoréngna sorangan. Enya,salah manéhna, lantaranhéngkér lebah ngabag-jakeun kulawarga. Dalamun aya pakeunna mahmeureun kahayang pama-jikanana kacumponan.Atuh anakna ogé bakalkasakolakeun deuih. Teusiga ayeuna, kalahngagugulukeun nu teuparuguh.

Béh dieu béh dieu mahMang Umri jadi bogakalangenan anyar.Saupama wayah bubarantéh jadi resep man-deurikeun manéh. Baturmah apan sakitu gesat-gesutna kana balik téh.Hih, ieu mah nyalsé baé.Malah saterusna mahkosongna kantor téh jadihiji hal anu diarep-arep kumanéhna. Padahal di dinyaéstuning ukur tambuhlaku, euweuh pagawéanpisan. Kitu baé ngadon ku-lantang-kulinting teupuguh. Atawa ukur ngadonngaregot cikopi dibarungku ngelepus udud.

Tapi nya dina kaayaankitu manéhna bisa nga -rasakeun waktu anu pang-ni’mat-ni’matna hirup dialam dunya. Teu kagangguku paréntah. Teu kagangguku karungsing anu nyam-pak di imah. Éstu ukur ayamanéhna jeung jemplingnakaayaan. Manéhna soktuluy mapay unggal ro-hangan, bari imeut sagaladiteuteup. Laju dinakaayaan kitu manéhna sokngalamunkeun dirina jadisalah sahiji anu didasidikaméja, anu tadi beurangmilu pakepuk di dinya.Ngalamunkeun dirina milutadah-tuduh méré parén-tah ka sakabéh karyawan.

Malah saterusna mah sokjeung gék diukna sagala dirohangan rapat. Bari api-api ngelapan méja, ma -néhna sok tuluy pepetanyeta-nyeta Bapa Ping-pinan anu keur mingpinrapat. Dina lamunanana,kabéh karyawan husungadéngékeun omonganmanéhna. Kabéh karyawanunggut-unggutan ngadé -ngékeun omongan ma -néhna. Éstuning pinuh kukaajrih jeung kasérab.

Geus kitu mah sok nyéhbaé manéhna imut sorang -an. Najan enya ukur lamu-nan, tapi ku sakitu gémutuh matak bagjararasaan. Asa cacap ka-panasaran téh.

Malah tungtungna mahjadi remen kalepasan.Manéhna sok tuluy gékdiuk di rohangan BapaPingpinan. Laju di dinyaogé sarua, manéhna nyeta-nyeta kalakuan Bapa Ping-pinan saupama keurnyang hareupan karyawan.Diukna ajeg lir nu hayangnémbongkeun wibawa.Ulat beungeut daria naker-anan. Panon neuteup antebka nu “disanghareupan”.Ana rék “tret nandatang -an”, leungeun anu keur api-

Page 35: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

34 Manglé 2437

api nyekel pulpen téh dike-batkeun heula, bari leung -eun kéncana metakeunnarik leungeun jas katu -huna. Geus kitu manéhnamanggut, minangka jawa-ban ka nu “nganuhun-keun”. Dayagdag deui wégeus kitu mah kana pan-yarandéan korsi. Biwirngarenyu imut, bari panonneuteup lalangit rohangan.

Kitu anu sok dipigawé kuMang Umri ana nyorangandi kantor téh. Tapi da teulila.**

IIII

Geus aya sawatarapoéna Bapa Ping-pinan mulihna sok

geus liwat jam dalapanpeuting. Euweuh nu dipi-gawé. Ngadon kitu wé hu-lang-huleng teu puguh barineuteup kaayaan di luar,tina lebah jandéla rohang -anana. Mun teu kitu nga -don kulantang-kulintingsorangan mapayan unggalrohangan kantor. Tapi an-tukna mah sok gék di ro-hangan rapat, bari neuteupsawatara lukisan anu di-gantung di dinya.

Mémang ahir-ahir ieumanéhna jadi resep meu-lian lukisan. Tapi da teuieuh pipilih. Rék ti pelukiskahot atawa cacarakan, réknu enya-enya siga atawaukur parungkal-paringkelteu puguh, asal gambarnangalalakonkeun jalma leu-tik, sok terus dibeuli baé.Anu pangdipikaresepna kumanéhna nyaéta lukisantukang béca anu keurngalepus udud, jeung luki -san patani anu keur ponyodahar di sisi sawah. Soknepi ka sok uleng naker-anan neuteup lukisan nudua éta mah.

Saenyana manéhna so-rangan teu pati ngarti enya-enya kana sual lukisan.Tapi ana neuteup lukisan

nu dua éta mah karasa lirnu ngajak padungdenganka manéhna.

Manéhna ngagerentes,baheula gé aing téh kurangleuwih siga kitu. Anakpatani manéhna téh.Hirupna sing sarwa basa-jan. Tapi dina kahirupansatuluyna, manéhna bet ka-jenengkeun jadi jalma aya.Teu ujug-ujug jleg. Tapi di-taratas ti handap mula. Timimiti sakola ka kota.Ngalamar pagawéan. Jadikaryawan. Diangkat kepalabagian. Jeneral ménéjer.Terus nérékél. Nepi ka dinahiji mangsa, rapat peme -gang saham mercayamanéhna sangkan nem-patan posisi pangluhurna:diréktur perusahaan.

Sapanjang naratas karirtéh kahirupanana ogé réapisan robahna. Karasapisan menyatna téh. Ti nutadina sarwa basajan nepika pamustunganana jadisarwa hurung-hérang. Tinu tadina koréh-koréh cokjadi sakali ngoréh leuwih ticuk-cok. Tapi ayeuna-ayeu -na bet jadi aya hal séjénanu kakara dipisadar kumanéhna.

Basa keur kuliah ménéje-men, manéhna remenmaca buku ngeunaan étosgawé bangsa séjén anugeus maraju. Cenah lamunhayang maju, daék teudaék kudu ngorbankeuntilu hal: waktu, tanaga,jeung pikiran. Cindeknakudu tihothat digawé jeungdigawé. Manéhna soranganngarti, yén pajamanan mé-mang kitu meredihna. Haléta ku manéhna dilakonan,basa mimiti sup gawé kaperusahaan. Éstu taya deuinu ku manéhna dianggappenting, lian ti sual pa-gawéan. Sarta saterusnamah kahirupan manéhnaogé milu robah. Réa anutadina euweuh jadi ayakapibanda ku manéhna -

malah réa leuwihna. Teudileuleungit éta mah kumanéhna ogé. Tapimanéhna ogé ngarasa,horéng réa ogé anu tadinageus kapibanda tuluy lus-les tina kahirupanana.Sarta éta anu lus-les laleu -ngitan téh dina enas-enasna mah mangrupa halanu pangdasarna tinahirup manusa. Baheulabasa keur leutik di lembur,manéhna kungsi ngarasa -keun kumaha ni’matnadahar. Padahal deungeunsanguna ceuk saré’atnamah mungguh teu pira.Kalan-kalan jeung cobékgénjér. Ganti poé jeunggoréng impun. Tumiskangkung, sambel medokkatut lalabna, kurupuk,jeung sajabana deui anukaasup dahareun anu mu -rah pangajina. Ayeuna,sagala rupa anu ngareunah,anu baheula mah ukur ayadina ciciptanana, ku ma -néhna lain geus sametkaasaan wungkul. Geusjadi lalab rumbah sapopoémalahan mah. Tapi ari lé-tahna sorangan mah lir nupaéh rasa. Pikeun ma -néhna, dahar nu ngare-unah téh lain lantaransadar yén éta ngeunah.Tapi lantaran sadar yénmanéhna kudu dahar,saméméh panyakit mahnakanceuh. Kitu deui munkeur dahar di réstoran, din-ner atawa lunch jeungkoléga. Ti batan bisa nga -réspon kumaha ngeunahnadahareun nu digayem kulétahna, uteukna mahkadon ngulayaban kanaurusan bisnis anu keurdiomongkeun.

Nepi sakali mangsa mahmanéhna kungsi manggi-han Mang Umri keur ce-celebekan sasarap ditukang. Kacida ngal-imedna. Éstuning pik-abitaeun, matak kumétapmanéhna. Laju sajongjo-

nan mah tuluy disérang -keun ti kajauhan bari api-api ngaroris kantor.Sanggeus réngsé dahar,kadéngé eureuleu teu -rabna. Leguk nginum cien-téh. Kelepus udud bangunnu ni’mat nakeranan. Betras inget sarapan anu tadiisuk teu béak. Manéhna betmaké pohara sirikna kaMang Umri.

Beurangna, anu biasanasok muru rumah makan,harita mah maké pangang-guran milu nitip sangu kaMang Umri. Lir nu akon-akon keur réa gawé di ro-hanganana. Saterusna sigatadi isuk-isuk, manéhnangintip deui Mang Umrikeur dahar. Ieu gé sarua,kacida ngalimedna.Manéhna terus naék deuika rohanganana. Braksangu bungkus téh dibuka.Tapi nu asup ukur saba -baraha huap. Tungtungnamah dibebeskeun kanawadah runtah. Leguk ng-inum. Rahuh baé nga -rahuh.

Sakali mangsa deui, arimanéhna keur neuteup tilebah jandéla, manéhnatuluy remen nangenanMang Umri keur nga -wangkong di tukang jeungpesuruh lianna. Sok nepi kakadéngé ager-ageransakapeung mah. Manéhnamah tibang nyenghél baé.Tapi ari haténa mah soktuluy nginget-nginget,iraha pamungkas manéhnaseuri babarakatakan jigakitu téh? Lebeng, manéhnasorangan gé teu nyaho.Sarua jeung teu nyahonairaha pamungkas manéhnangarasakeun ni’matnadahar anu kungsi kaalamanku manéhna baheula.

Sok tuluy manjang ka -pikiran. Enya, naha ma -néhna bet teu bisa seuribabarakatakan deui sigabaheula? Manéhna sorang -an saenyana mutuh geus

Page 36: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 35

bosen ku suasana anu ung-gal poé sing sarwa daria,resmi, -malah deukeut-deukeut kana rengkengsarap balas mikiran peru -sahaan. Mun ningali parapesuruhna keur sempalguyon di tukang, manéhnasok kumejot hayang miluaub. Enya da manéhna ogékungsi ngalaman hirup kitutéh, baheula basa di lem-bur. Di lembur mah jeungtatangga téh apanan geuslumrah sok silih anjangan.Utamana lamun wayah pa-sosoré, bari ngadagoanadan magrib. Kitu wéngadon ngalohong. Lamundiukurna ku élmu ménéje-men, moal boa kaasupkana ngamubah-mubahwaktu téa kikituanan téh,anu jadi ciri goréngna étosgawé hiji bangsa. Da naonhasil kongkritna, atuh.

Tapi ayeuna-ayeunamanéhna bet sono kanasuasana kahirupan anu sigakitu. Sing sarwa nyalsé,sahinasna, teu kasengkerku waktu. Malah ku hirupanu siga kitu téh manéhnabisa ngararasakeun, yénmanéhna enya-enya hirup.Ku campur gaulna jeungtatangga jadi cicirén yénmanéhna téh enya ayakumelendang. Ari ayeunadi kantor, najan hakékatnasagulung-sagalang turreureujeungan téh jeungpapada manusa kénéh, tapiceuk saré’atna mah ayadina wengkuan itu bawa-han manéhna atasan.Ongkoh deuih nu nyam-bungkeunana ogé teuleuwih ti sual-sual pa-gawéan, lain hal kodratitina diri manusa.

Ku alatan pameredihnajaman, daék teu daékmanéhna kudu gemblengngabaktikeun dirina pikeundigawé. Lantaran gawé téhbakal nangtukeun majunahiji bangsa atawa hiji jalma.Tug ka lila-lila manéhna

sorangan ngarasa yén kan-tor téh geus jadi imahmanéhna nu kahiji. Sedengpamatuhanana soranganmah, anu ayeuna geustinggulubur ku dunyabarana, posisina teu leuwihti imah kadua. Lain kituanu dipikahayangan kumanéhna. Tapi, sakali deui,mémang kitu pameredihnajaman. Manéhna soranganngarasa yén hirupna geusteu bina ti mesin. Tapimanéhna ogé bet kalahbeuki samar kana tujuandigawé anu sakitu koko-moanana téh. Keur naonsaenyana? Naha hirup didunya téh ukur keur kituwungkul?

Ari lebah neuteup layarkomputer, manéhna sokasa keur neuteup beungeutsorangan. Asa manéhna so-rangan anu jadi komputertéh. Sakumaha canggihnakomputer angger baé apanari gunana mah ukur

pikeun ngajalankeun naonanu geus jadi “tugas-tu-gasna”. Ukur bisa “miki-ran” jeung “ngatur” naonanu aya di “sajeroeun di-rina”. Sakumaha canggihnakomputer, moal ieuh bisasadar kana sabudeureunrohangan gawéna soran-gan; kana méja anu diteun-deunan ku “manéhna”;kana kaca jandéla di gigir -eunana; atawa kana keke-bul anu napuk “awakna”.Manéhna ogé asa teuleuwih ti kitu. Kumelen-dangna di alam dunya asateu leuwih ti pikeun miki-ran gawé, ngatur bawa-hanana, mingpin rapat,ngayakeun pertemuan,ngontrol perusahaan, jeungsaniskara kakuduanséjénna minangka diréktur.Ari dunyana ukur sametstatistik, tumpukan berkas,angka-angka nu pajurawet,targét omsét, jeung téktékbengék séjénna.

Anu matak manéhnangagebeg, sanggeussababarah kali ku manéhnadiimpleng, manéhna sora -ngan horéng leuwih apaljero-jerona pribadi staf-stafna ti batan jero-jeronadiri anakna sorangan.Anakna pituin, anu remenditinggalkeun anclang-an-clangan ka luar kota kumanéhna!**

IIIIII

Tug ka saterusna, ayahiji sora anu teuweléh timbul dina

haténa sorangan. Anulamun diunikeun ku basalisan mah, “Ké heula, asalain kieu yeuh,” atawa,“Heup heula. Cikan pikirandeui.” Nya sora haté étaanu ngalantarankeunmanéhna jadi resep hu-lang-huleng sorangan dikantor sabada jambubaran. Sawatara acarameeting jeung rélasi séjénsaterusna loba nu diwak-ilkeun ka staf-stafna. Pada-hal manéhna sorangan teuka mana-mana. Euweuhkaperluan séjén, deuih. Ci -cing baé di kantor, ngadonkulantang-kulinting ma-payan unggal rohangankantor. Éta ogé sok tuluybalik deui ka rohanganana.Tapi ari geus gék diuk, teulila gé tuluy cengkat deui.Rarasaan manéhna asageus teu matak pikabeta-heun korsi di rohangananatéh. Antukna sok léos baéka ruang rapat.

Staf-stafna mah anu di-wakilan tugas ku manéhnataya nu rajeun tumanya ayanaon. Jajauheun kana hé-meng mah. Sumuhundawuh baé. Ukur MangUmri hijina-hijina pagawékantor anu nganyahoanan -keun yén aya nu teu biasa tiBapa Pingpinan téh. Tapimanéhna boro-boro waninaléngténg. Ukur samet

Page 37: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

36 Manglé 2437

kerung tarang. Anu sasarinasok kukulintingan di jerokantor, saterusna mah milihnyirekem baé di rohangan -ana di tukang bari lalajotipi. Tapi sajeroning antenglalajo tipi téh ari haténamah angger panasaran.Pangpangna sieun kalakua -n ana cicing di rohanganBapa Pingpinan téh aya nunganyahoanankeun, laju di-laporkeun ka anjeunna.Moal boa manéhna bakalditegor. Tapi Bapa Ping-pinan da teu ieuh nitahngadep. Haré-haré baé kaMang Umri téh. Najan kituari dina jero haténa mah betjadi bahan pipikiran. MangUmri jadi tuluy kapikiranku manéhna. Haritamanéhna karék engeuh yénhiji-hijina rohangan anuarang pisan katincak kumanéhna téh nya rohanganpesuruh kantor, di tukang.Rohangan anu bet dadaksakala mincut manéhna kusora ager-ageran anu sokrajeun kadéngé ku manéh -na. Hiji-hijina rohangananu, ceuk imeutan ma -néhna, di dinya nyampakkénéh kabungahan anusakuduna dipibanda ogé kumanéhna. Euweuh nukerang-kerung, euweuh nurengkeng urat tarang, sigaanu sok remen kapanggihku manéhna di rohangankaryawan séjénna. Éstuningbangblas baé lir bébas tinamomot pikiran. Enya, danaon anu kudu dipikiran kupagawé-pagawé pantarpesuruh kantor mah, ceukgerentesna.

Padahal ari pikeun MangUmri mah sabalikna pisan.Rohangan tukang tempatpamatuhan manéhnasabatur-batur téh lir ibaratpangberokan anu geusmanjarakeun nasibmanéhna jadi jalma leutik.Rohangan anu pikeunmanéhna mah geus teumatak pikabetaheun. Keurmah tempatna di tukang,

nya pabalatak jeung barauhapeuk, deuih. Bubuhanngahiji jeung gudang. Jauhtangéh saupama dibanding -keun jeung rohangan karya -wan séjénna anu unggal poésok dibersihkeun ku ma -néhna. Di dinya mah teuweléh seger ku asé. Balersihtur rarapih deuih. Da aya nupurah ngabersihkeun jeungngarapihkeunana téa:manéhna! Tug ka saterusnaMang Umri cengkat. Culbaé tipi mah. Panonnangadon neuteup ka luarjandéla, ka béh luhur, kalebah wangunan kantor ditingkat tilu, tempat ngan-torna Bapa Pingpinan katutstaf-stafna. Manéhna neu-teup anteb. Tapi da teu atraka lebah jero-jerona roha -ng an mah.

Nu leuwih atra téh justrulamun neuteup ti luhur kahandap. Bubuhan di béhhandap mah baranang kulampu. Talunganan di ge -dong béh luhur, anu lam-puna sawaréh geus dipa roékan. Nya dina lebah nupoék Bapa Pingpinan nang-tung téh. Manéhna ogé keurneuteup ka handap. Basakatingali Mang Umri nololtina jandéla, manéhna tuluyngalenyap. Lain asa katoh -yan lamun manéhna keurneuteup ka handap. Yakinanu neuteup ti handap mahmoal atra ningali manéhna,da kahalangan ku widé.Ngalenyap sotéh manéhnaasa katohyan eusi haté. Lirnu apaleun lamun manéhnakeur mikiran anu di han-dap. Sajongjonan anu nololtina jandéla téh ku manéh -na diteuteup uleng.

Padahal saéstuna MangUmri teu apaleun, keurnaon saenyana Bapa Ping-pinan di luhur téh, sartanaon anu ayeuna keur dié-mutan ku anjeunna. Nu ka-sawang ku manéhna,meureun Bapa Pingpinantéh nuju raos-raos calikdina korsina. Korsi hipu

anu bisa muter téa, anu dihandapna maké roda, turhargana ogé jutaan. Lain,lain bangku kayu anu sokdipaké diuk ku manéhna dirohanganana. Malah moalboa anjeunna téh keur né -kenan kontrak anu panga-jina miliaran rupia. Sartatangtuna ogé teu weléh di-reumbeuy ku imut bagja.Kitu gerentresna.

Tapi da disiga-siga nujucalik raos téh dina kabuk-tianana mah keur nangtungbari neuteup nu keur nga-janteng di handap, anu keuranteng nyipta-nyipta nu diluhur nu ayeuna keur neu-teup ka manéhna. Bet tim-bul karumasa dina haténa.Manéhna asa rumasa geusngahalangan Mang Umripikeun balik ka imahna.Padahal bubar kantor téhgeus lila ti tadi mula. Kari-kari ayeuna manéhna didieu kénéh. Heueuh, manakitu gé lantaran aya sauranganu can mulang. Heug étanu saurang téh ping-pinanana pisan. Aing, ger-entesna. Moal boa saenyanamanéhna téh keur nyabar-nyabar manéh, ngadagoanbari haté pinuh ku kakesel.Padahal geus sakudunamanéhna bisa balik ti sorékénéh, laju ngariung jeungkulawarga anu dipikadeu -deuhna. Talunganan aing,ceuk gerentesna deui.Mahal kacida hayang bisariung mungpulung di imahtéh. Antukna nu di luhurgap kana telepon. Bariangger neuteup ka handap,tuluy mencét nomer. Teulila kadéngé sora telepon dihandap ngirining. Lep nunolol tina jandéla téh nga -leungit, tuluy disambung kusora nu ngangkat telepon.

“Mang Umri bisi rék baliktiheula henjung waé. Keunkuring mah ulah didagoan.Aya satpam ieuh.”

“Mangga Pa.”Klik telepon ditunda ku

manéhna. Teu lila kaciri aya

sapédah ngageuleuyeungkaluar ti buruan gudang.Kari manéhna soranganngajanteng kénéh bari neu-teup sapédah nepi kangilesna diteureuypéngkolan.

Manéhna tuluy ngaréng-hap panjang, bari anggernangtung kénéh dina tem-patna mimiti.

Sanggeusna sawatarajongjonan, duka naon anungajurung dina haténa, léosbaé manéhna turun ka han-dap. Luak-lieuk. Euweuhsasaha. Ukur aya satpamtiluan di rohangan sékuriti.Tapi ku manéhna teu ieuhdipiroséa. Justru anu narikperhatian manéhna téhbangunan gudang ditukang. Koréléng manéhnaka dinya. Sepi. Ukur aya tipinu geus pareum jeungbangku panjang dua siki.Gelas pabalatak luhureunméja. Cangkang suuk jeungkuntung roko patulayah dihandap.

Gék manéhna diuk. Nga-heneng. Rurat-rérét niténanrohangan, bari nyawangnaon atawa siga kumahakira-kira anu sok kajadiandi éta rohangan téh. Tuluydina jero haténa, manéhnanyipta-nyipta deui soratingbarakatak anu sokkadéngé ku manéhna.Manéhna nginget-ngingetdeui kalimah-kalimah sem-pal guyon anu sok rajeunkadéngé ku manéhna.Manéhna tibang seuri leu-tik.

Tapi tungtungna mahpanonna ngarérét kana elappiring anu ngalumburuk digigireunana.

Ku manéhna dicokot. Di-ilikan. Diteuteup anteb.Laju satengah teu sadar étaelap téh ku manéhna di -sam paykeun kana taktaknasorangan. Manéhna tuluyngaheneng deui salila-lila.***

Bandung,2010-2013.

Page 38: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 37

Pamaréntah Kota Bandung ngali-watan Disparbud (Dinas Pari-wisata dan Kebudayaan) ngaop

timalkeun ihtiar pikeun nga mekarkeunsarta miara poténsi wisata jeung bu-daya, ngaliwatan léngkah-léngkah anunyata tur neueul kana kapentinganbalaréa. Disparbud ogé ngayakeun gawébareng jeung pihak-pihak anu ayapatalina jeung éta hal. Hal sarupa kitudilaksanakeun pikeun ngawujudkeunKota Bandung minangka kota wisata nuBermatabat (Bersih, Makmur,Taat,Bersahabat). Éta hal ditétélakeun kuKepala Disparbud Kota Bandung, Drs.H.Herry M. Djauhari.MM, ka Manglésababa raha waktu nu kaliwat.

“Ngamumulé sareng ngamekar keunseni budaya, hartosna ngajaga nuparantos aya sangkan ulah dugi ka leu -ngit. Malah kedah teras dimekarkeunluyu sareng kabutuhan jaman. Kanggongahontal éta udagan, peryogi pangro-jong ti balaréa, utamana mah ti mas-rakat nu raket hubunganana sarengpariwisata. Margi anu baris ngaraosmangpaatna pariwisata téh warga nu

dumuk di sabudeureun tempat wisata,”pokna.

Herry ogé nétélakeun, seni jeung bu-daya téh boga boga daya tari anu kuat.Ku alatan kitu, seni budaya kudu di-hirup-huripkeun, tur dime karkeun luyujeung kabutuhan. Hal sarupa kitu és-tuning butuh karan cagéan para seni-man jeung budayawan, geusan nyip takeun kréa si-kréasi anyar dina widangkasenian. Pamaréntah ogé kudu mérépapayung hukum anu jelas pikeun nga-jaga hasil kréatipitas para seniman.

Dina ngamekarkeun pariwisata, nya -éta ngawanohkeun poténsi wisata, Dis-parbud teu weléh babarengan jeungpihak-pihak anu aya patalina jeungpariwisata, saperti pangusaha rumahmakan, hotél, jeung tempat hiburan,ogé jeung seniman sarta budayawan.Tujuanana pikeun ngaronjatkeun ajénobyék wisata di tempat-tempat wisata.Sarta bakal ngaronjatkeun jumlah wisa-tawan ka éta tempat, boh wisatawanlocal boh wisatawan mancanagara.

Kagiatan ngokolakeun pariwisatajeung budaya geus dilaksanakeun di

sababaraha tempat di Kota Bandung. Diantarana di wewengkon wétaneun Ban-dung aya kawasan wisata seni jeung bu-daya kréatip di Ciporéat KelurahanPasanggrahan Kacamatan Ujungbeu-rung. Di sababaraha tempat séjénna ogégeus dimekarkeun kagiatan seni jeungbudaya. Salian ti éta, dina raragangawanohkeun pariwista ka nagaraséjén, ngaliwatan gawé bareng jeungpihak travel, sangkan tamu-tamu anudaratang disuguhan ku pintosan kesen-ian tadisional jeung kréasi seni anumodéren hasil karancagéan para seni-man. Lian ti kitu wangunan anu ngan-dung ajén sajarah ogé kudu dijadikeundaya tarik wisata.

Kabeungharan seni budaya Kota Ban-dung anu dirojong ku karancagean paraseniman jeungbudayawan geusanngaronjatkeun kamekaran seni nu diad-umaniskeun jeung kasenian moderan,tur dieuyeuban ku mekarna séntra-sén-tra seni buadaya, tangtu bisa jadicukang lantaran ngaronjatna karahar-jaan masarakat.***

Cucu

Parawisata Kota Bandung Butuh Pangrojong ti Balaréa

Kepala Disparbud Kota Bandung, Drs. H.Herry M. Djauhari.MM

Page 39: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Toserba Griya Ujungberung dinabulan puasa nu anyar kaliwatngayakeun kagiatan buka pua -

sa bareng. Acarana dilaksanakeun digedong Toserba Griya lante 3 JalanAH. Nasition Bandung, diluuhan kuminijer, staf, jeung ratusan karya -wanna. Méméh buka puasa, parakaryawan ngabandungan heula ce-ramah ti KH. Miftah Sofyan ti Su -kalilah. Dina Bubuka acara, minijerToserba Griya, Wismark P.H., nété -lakeun, yén acarabuka bareng téhmangrupa acararotin nu digelarungal taun. Tujua-nana pikeun nga-hormat para kar ya wan nu aga-mana Islam. Wis-mark P.H. ngaomat-omatan sangkan nu baralanjatéh diladénan kalawan soméah tursumanget, kawaspoé-poé biasa salian ti bulan Ro-madon.

Toserba GriyaUjungberung boga moto “Kompak

Yu”, nu hartina saku -maha beuratna pagawéan nu disang-hareupan lamun dilaksanakeun sa ca ra kompak babarengan mah moalkarasa beurat.

Sedengkeun Ketua Panitia mah, H.Gunawan jeung Didiet Herlianto,ngémbohan yén salian ti acara bukapuasa bareng, dina tanggal 28 Agustusrék diayakeun acara halal bi halal,sarta dina bulan Séptémber baris di-ayakeun piknik. Ku ayana éta acara,

dipiharep hubungan antara karyawanleuwih raket sarta leuwih betah deuidigawé di Toserba Griya Ujung-berung. Salian ti éta, Toserba Griyaméméh bulan puasa sok narimakaryawan musiban salila dua bulan.Lamun gawéna kapaké, bisa jadikaryawan Toserba Griya.

“Lumayan, gajih karyawan musibantéh sami sareng UMK, sok sanajanlamina mung ukur dua bulan,” ceukDidiet.*** Dédas

38 Manglé 2437

Buka Puasa Bareng Toserba Griya Ujungberung

Para staf Toserba Griya Ujungberung

Para karyawan keur buka puasa

Para karyawan keur ngabandungan ceramah

Page 40: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 39

Dina taun 2013 ayeuna PMI(Palang Merah Indonesia)Kota Bandung leuwih nguta-

makeun ningkatkeun palayanan kamasarakat. Pikeun ngahontal éta uda-gan, dilaksanakeun ngaliwatan taré -kah ngaronjatkeun kualitas saranajeung prasarana, sarta ningkatkeunsumber daya manusa (SDM). Alatanréa kajadian musibah alam, setokgetih henteu ukur diancokeun pikeunmasarakat anu nandangan kasakit,tapi diancokeun ogé pikeun masarakatanu katarajang musibah alam saperticaah, taneuh urug, jeung sajabana.Kabutuhan getih di Kota Bandungsaban o ngolah gngahontal 40 labu.PMI Kota Bandung satékah polahmetakeun ihtiar geusan ngayakeungetih nu rata-rata sapoéna 40 labu.

“Saleresna, sarana kanggo ngolahgetih anu aya di PMI Kota Bandungparantos leungkep, nanging luyusareng kamajuan jaman nu sabantaun peralatanana minkin canggih,alat-alat anu aya ayeuna teu acanotomatis tiasa ngandetéksi kandungangetih kanggo nangtoskeun aya hen -teuna bibit kasakit. Ku margi kitu, ka-payun peryogi diihtiaran sangkan PMIKota Bandung ngagaduhan éta alat.Salian ti éta, tempat nyimpen getihanu parantos diolah peryogi anulangkung ageung supados tiasa nyim-pen getih langkung seueur. Tangtosbaé kanggo nyumponan éta pangabu-tuh téh peryogi peryogi bantosanwaragad ti pamaréntah Kota Ban-dung. Margi upami ngandelkeunwara gad ti masarakarat ngalangkun-gan bulan dana mah moal cekap. Pa-padaning kitu, PMI Kota Bandung ogétetep metakeun tarékah ku cara nga -yakeun gawé bareng sareng pausaha -an widang kaséhatan, sangkan di

ban tosan dina ngaya -keun alat-alat,” KetuaPMI Kota Bandung,Ade Koesyanto, nétéla -keun ka Manglé, sawa -tara waktu nu kaliwat.

Ceuk Ade, salian tikorban musibah alam,warga sarta pihak séjénti luar Kota Bandungsaperti ti Karawang,Bekasi, Jawa Tengah,Jawa Timur, malah ayaogé lampung remenménta getih ka PMIKota Bandung. Alatankamanusaan, éta pa -ménta téh teu weléhditedunan. Tarékah pi -keun nyumponan setokgetih di antarana kujalan ngabina para“pen donor.

“Upami aya nu nye-batkeun teu aya getih di PMI,saleresna sanés kosong pisan, namungukur getih tertentu sapertos getih golAB anu kalebet getih langka. Ku alatankitu, sok sering pasén nyandak pen-donor anu golongan getihna sami.Margi pendonor anu kadaptar di PMImah nu golonga getihna AB langkapisan,” pokna.

Pikeun ngaoptimalkeun palayan ka-masarakat korban musibah alam, PMIKota Bandung terus ngagedurkeunsumanget para rélawan sangkan siapsiaga dina ngungkulanana. Kamam-puh para rélawan dina ngaévakuasikorban sarta ngandetéksi kamungkinkajadian musibah terus ditingkatkeun.Papadaning kitu, sok sanajan kase-butna rélawan, PMI tetep ihtiarpikeun nyumponan kabutuhan réla -wan boh dina widang akomodasi boh

kaperluan dinaa raraga ngalak-sanakeun tugas, kayaning ngaleng -kepan sarana évakuasi korban caahsaperti parahu karét. Kiwari PMI KotaBandung ngan ukur boga opat parahukarét. Dipiharep, dina waktu nu bakaldatang aya waragadna pikeun meuliparahu karét anu aya mésinna, luyujeung kabutuhan kaayaan di lokasimusibah. Lantaran kiwari mah caahtéh lain ngan satengah méter, tapi nepika dua méter.

“Pon kitu deui dina nyadiakeundapur umum. Ayeuna parantos diran-canakeun kanggo ngayakeun dapurumum nu tebih ti lokasi kajadian, tapidileingkepan kusarana sangkan étatuangeun tiasa enggal dugi ka para ko-rban musibah. Di Kota Bandung ki-wari kacatet aya sarébu urang rélawananu siap siaga ngabantos masarakatnu katarajang musibah,” pokna

Setok Getih PMILain Ukur keur nu Gering

Page 41: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

40 Manglé 2437

Pranata pendidikan jeungpranata kulawarga man-grupa média nu kacida uta-

mana geusan ngawewegan prilakuahlak bangsa. Widang atikan jadiprioritas sabab kamotékaran ma -nusa dina rupaning widang moralhenteu leupas tina ajén atikan, bohatikan formal boh atikan non for-mal. Kitu deui kualitas jeung kuan-titas manusa baris ngaronjatlantaran wewegna atikan.

Widang atikan Pasundan saés-tuna boga udagan anu jinek, nyaétangalahirkeun insan-insan anu ajegpanceg, iman takwa, jeung ahlakmulya dipageuhan ku idéntitas bu-daya Sunda nu kacida kuatna

SMA Pasundan Purwakarta saliladipingpin ku Drs. Jajang Koswara,M.Si. geus némbongkeun pan-gawangunan nu ngabelesat. Ge -dong cakueum nu kungsi narikolottéh ayeuna mah hégar marahmaydeui. Gedong sakola diwangun dualanté nu tohaga. Jajang ogé ngawa -ngun SMK Informatika pasundan Pur-wakarta, nu mangrupa hasil ngeu reuyeuh itikurih sorangan. Aya keurmeuli bata heula, meuli keusik heula,meuli semén, meuli keramik, geus kitukakara manggil tukang. Gawé rempugjukung sauyunan jeung warga sakolateu matak ngangluh kawantu di-dadasaran ku kaihlasan. Sanajan ceukparibasana ngawangun sakola téh tinahasil ngaduakeun huap jeung nu diimah, teu matak jadi pacogrégan dinarumah-tangga. Kitu deui guru-guru,TU, katut penjaga sakola babarenganngawangun ieu sakola. Hasil pang-wangunan bisa katempo, sanajan cansaratus persén réngsé, SMA jeungSMK informatika Pasundan Pur-wakarta ngajengléng tohaga teu éléhku sakola-sakola negri anu mémangngagolontor biaya pangwangunananati pamaréntah.

Ngaronjatkeun kasempetan diajar

pikeun barudak tamatan SMP anu teuboga waragad, ogé jadi perhatian Ja-jang Koswara.

Réa murid SMA-SMK InformatikaPasundan Purwakarta digratiskeuntina sagala waragad sakola, alatankolotna bener-bener teu mampuhngawaragadan.

Salasaurang guru SMA-SMK Infor-matiaka Pasundan Purwakarta, Dra.Tini Suhartini nembrakkeun pangala-manana, tatanggana di Kp. Poponcolaya karep hayang neruskeun sakola kaSMA-SMK Iformatika pasundan tapiteu boga biaya kawantu cicing jeungnu jadi nini nu teu boga pakasabanmatuh, ari kolot éta budak pipisahan.Kalayan kasapukan kapala sakola nyadiasupkeun ka SMA Pasundan Pur-wakarta, kalawan haratis sagala ru-pana, malah pakéan saragam dibéré tisakola. Siswa anu kitu téh lain hiji duatapi puluhna, unggal taun aya baémurid anu asalna ti kolot anu teu

mampuh sacara ékonomi.PKS widang kesiswaan Iman

Dani, S.Pd, nancebkeun programsauyunan di kalangan siswa.Upama aya papait atawa kamusi-bahan boh siswa boh kolotnasiswa, saréréa guyub metakeuntarékah pikeun nulungan.

“Sim kuring sok ngangresupama ningal kakompakan siswadina tutulung ka nu kamusibahan.Henteu ningal gedé leutikna sum-bangan, barudak OSIS padamotékar upama ngadéngé aya nuperlu ditulungan,” ceuk ImanDani.

Ngan aya nu jadi kahanjakal nu-mutkeun Drs. Jajang Koswara,M.Si. mah, Paguyuban Pasundanpuseur téh jugala. Ngan jugalanaPaguyuban Pasundan puseurhenteu nepi ka cabang Purwa -karta mah. Paguyuban Pasundancabang Purwakarta asa nunggelishirup nyorangan. Kapan lima taun

ka tukang mah sa méméh dicangkingku anjeunna, SMA Pasundan Pur-wakarta téh ngalaman hirup teu neutpaéh teu hos. Sok padahal di puseurPaguyuban Pasundan aya YayasanPendidikan Dasar dan Menengah(YPDM) Pasundan.

Duka naon margana YPDM Pasun-dan téh kurang nalingakeun hiruphuripna sakola Pasundan, utamana nukarasa di cabang Purwakarta.

Ketak jeung hojah Paguyuban Pa-sundan téh henteu cukup ukurlalambé dina biwir wungkul.

Ngantengna tatali silaturahmi an-tara puseur, cabang, jeung anak ca-bang mangrupa modal utama geusannguatan tarékah dina raraga miara,ngaraksa, ngariksa, jeung ngajaga lem-bur tina pangaruh kasajagatan (glob-alisasi) anu bedas ngagulidag neum bagan papagon hirup urang Sunda.***

Gg

SMA Pasundan PurwakartaNgaharatiskeun Murid Miskin

Drs. Jajang Koswara MSi, Kapala Sakola SMA Pasun-dan Purwakarta

Page 42: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 41

PanganteurPrabu Kean Santang nyaéta

pangéran putra Raja Siliwangi diKarajaan Padjadjaran. Kacaturkeunhiji poé Kean Santang keur ngukurdiri nguji kasaktén, “Naha di ieudunya aya jalma nu gagah jeungsakti nu bisa nandingan kaula?”. Teulila ti harita Prabu Kean Santangménta idin ka Raja Siliwangi pikeunmiang rék néangan pilawaneun.Meunang béja ti batur, yén di tanahArab aya hiji jalma sakti nu katelahBagénda Ali. Teu ngadagoan isuk,Prabu Kean Santang tuluy nga-jugjug ka tanah Arab. Saacan bisanangtang jeung tarung ogé, PrabuKean Santang teu bisa nyabut iteuknu ditancelbkeun ku Bagénda Ali.Nya ti harita Kean Santang tuluyasup Islam, sarta ngawanohkeuntur ngajarkeun Islam ka rahayat diKarajaan Padjadjaran.

Sabada asup Islam jeung ngartikana atikan Islam, Prabu KeanSantang nu satadina adigung

adiguna, ngarasa élmuna euweuh nunandingan téh kiwari mah jatipatukangtonggong. Basa saacan mu-lang ka lemah Padjadjaran tur boganiat hayang ngislamkeun karatonPadjadjaran téh ngumaha heula kaBagénda Ali.

“Duh Bagénda Ali, kuring téhapan pangarti mah batan sakieu buk-tina. Kari-kari ayeuna kudu bisamawa béja ngeunaan atikan Islam nusakieu linuhungna ka baraya kaula dilemah Padjadjaran.”

“Teu kudu mangmang, péktepikeun naon waé pangarti nu aya dianjeun! Tepikeun sok sanajan sake-

cap ogé.”Prabu Kean Santang keukeuh

haténa teu yakin. Keukeuh masihkénéh ngarasa aya kakurangananadina dirina. Masih kudu guguru teruska Bagenda Ali. Hiji poé, tuluy PrabuKean Santang ngumaha deui kaBagénda Ali.

“Bagénda, kuring téh sabada talukku salira, kedal jangji dina haté munmulang ka lemah Padjadjaran téhhayang aya manpaatna keur rahayatdi ditu. Cadu mulang mun éta niatcan kayakinkeun baris kalaksana.Kari-kari ayeuna ngan bisa mawakanyaho nu sakieu ayana. Kuringkeukeuh hayang aya manpaatnapikeun rahayat di Padjadjaran nubaris karasa ku saréréa, karasa kubangsana kalawan teu diwilah-wilah.”

Bagenda Ali uleng mikir sakeda-pan. Teu lila tuluy masrahkeuniteukna ka Prabu Kean Santang.

“Bawa ieu iteuk kula ka karajaanandika. Jig geura mulang isuk-isuk.Sanepina di lembur, tancebkeun ieuiteuk dinu taneuh gawir.”

Sanggeus diyakinkeun kitu mah,Prabu Kean Santang tuluy mulang kalemah Padjadjaran. Sanepina di Pad-jadaran, tuluy nancebkeun iteuksaperti nu amanatkeun ku BagendaAli.

Isukna, isuk-isuk kacida kagétnaPrabu Kean Santang, sabab iteuk nuditanclebkeun téh jadi hiji tangkal nudaunna aripis lalencop. Beuki lila étatangkal téh beuki ngajangkungannyelengceng. Tina sela-sela handapnabarijil iteuk nu sarupa. Beuki lilaiteuk Bagenda Ali téh beuki ngareaan,tur rupana jadi hejo jeung bubukuan.

Lila kalilaan, éta tangkal nu asalnatina iteuk Bagenda Ali téh beuki nga-lobaan. Prabu Kean Santanghelokeun ningali kaayaan kitu, jeungcan ngarti tangkal naon éta tur gu-nana pikeun rahayat Padjadjarannaon.

Lila kalilaan mah kajawab naon-naon pananya Prabu Kean Santangtéh, naon nu diomongkeun ku Sayid-ina Ali kabuktian. Sabab éta tangkalnu nepi ka kiwari nelah tangkal awitéh kacida kaarah manpaatna jeungkapakeuna ku jalma-jalma di kara-jaan padjadjaran. Atuh tangkal awinanyebar kamamana, malah loba urangkarajaan nu kasabna gumantungkana awi.

Nya tina awi éta loba pakakassapopoe jeung jadi hiji tangkal nukacida pentingna pikeun hiruphuripna jalma. Tangkal awi nu jadidigawir jadi tangkal nu kacida hadénapikeun mahing urug. Tangkalna bisadipaké nyieun imah, dipake nyieunpakakas sapopoe saperti carangka,rancatan, boboko, hihid, jeung saja-bana. Malah aya ogé awi nu bisa di-dahar (humut).

Sabada Islam jeung tangkal awinu dibawa ku Prabu Kean Santang titanah Arab tumuwuh di Padjadjaran,tatar Sunda jadi hiji tatar nu gemahripah loh jinawi. Jadi lembur nusubur makmur tug nepi ka kiwari.Sanajan ramana ku anjeun teu lebetIslam, Prabu Kean Santang ngarasabagja lantaran awi bawana bener-bener bisa mangpaat keur balareakalawan teu pilih-pilih jalma. Kabéhbutuh, ku kabéh karasa manpaatna.*** Cisompet 2013 (Taufik Rahayu)

Sasakala Awi

Page 43: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Nazarudin Azhar

Sandékalakaséérpoé balabuh na sukma dunya

tatangkalan diarsir rénghap sareupna

pasir jeung léngkobna ukur sagebar kanyataan

nu terus dikawasa mongkléng

célak-célak ti kajauhan, béngrasna dina imajinasi

hiji mojang nu ngalong dina sarigsig awi

mun halimun bisa dijadikeun jangjang

mun seug lamun robah jadi bukur kahayang

mun seug…

sora léngkah ilang nu datang séah cihujan

manéhna aya di dunya nu karasa apilain

leungeun-leungeun leungiteun gupayna

papasangan panon teu béda ti buah pala

“sandékala, nyai…

geura ngampih…”

nu ngamalir ti buruan ngahiji dina solokan

beuki jauh beuki kiruh jiga sora pangoloan

hujan nu mimiti ngepris ditungtungan katumbiri

gurat warna sakedapan dina kasang teu katepi

“kapan takdir nu nyimpangkeun akang ka ieu lembur

dijurung metik érmawar nu diaping angin pasir…”

manéhna datang jeung anjogna proyék irigasi

ngabagi ciwalungan ka solokan pangalian

sawaréh méngkol ka kidul, sésana lempeng ka wétan

“ka wétan, jalan anyar sorangeun urang duaan

ka dayeuh urang sampeur kabagjaan…”

amis cau na palipis sawaréh marentis kénéh

dada nu anyar melentis rénghapna raranjug kénéh

42 Manglé 2437

Page 44: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

sabot usap ngareykeun pigeulang leungeun

teu ngarti naha manéhna seuri

can surti aya nu keur nyiliwuri

delék indung nampa pangirim impian

samping batik kabaya seungit lebaran

“moal salah, si encép téh datang tina du’a ema

sanggeus abah manéh ukur ninggalan kasangsara.”

dieuleuh-euleuh ku deungeun

dipisirik ku tatangga

“bagja temen dipileuheung urang dayeuh…”

“budak bau jaringao, pélét ngabobodo ténjo…”

bungah nyai bagja ema

kareueus indung bungahna kembang sawarga

beuki kerep nu nganjang reujeung bawana

mingkin hégar imut matuh susuguhna

“di kalékér, si darsih kapapaténan

bisi ema hésé mulang kapeutingan

encép baturan si nyai…”

sémah unggeuk rengkuhna éstu pujieun

nu indit mah dibaturan ku girimis

imah combrék ti soré diranggeum aleum

reup peuting lembur ciwangun geus lantis

séah walungan, aweuhan ti kajauhan

gumuruh teu kakadalian

bedah tina dua dada nu silih teueulkeun kangen

sora haréwos geus lila jempé

kalices damar nu pareum teu kapaliré

sora jangkrik dina sesela rekét ranjang

sora anjing babaung na peuting nu juuh késang

sabulan sapuluh poé proyék irigasi réngsé

tangkeup deudeuh na bangbarung

usap nyaah sabot cipanon nyalangkrung

“saminggu deui engkang datang

maheutkeun asih ka bale nyungcung…”

saminggu leuwih kalarung halimun asa ngandelan

ganti bulan langit kalah kaleungitan béntang

peuting mongkléng hujan datang lain usum

ronghéap balébat imut taya dangiangan

miang ka dayeuh alamat teu kapaluruh

manggih béja manéhna di peuntas jauh

boa moal mulang deui, miangna sapiri umpi

mun halimun bisa dijadikeun jangjang

mun seug lamun robah jadi bukur kahayang

mun seug…

“sandékala, nyai…

geura ngampih…”

aya nu usik sajeroeun kulit beuteung

aya inghak dua indung

na aweuhan ciwalungan

2011

Manglé 2437 43

Page 45: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

44 Manglé 2437

Geus ti baheula mula kupatjadi “ikon” lebaran. Soksanajan kiwari geus asup

kana jaman global sarta parsél geusmaweuh di mana-mana, kupat mah

angger masih kénéh jadi pri-madona.

“Asa kirang apdol atuh da arilebaran teu aya kupat téh,” ceuk

Juariah, warga Banjaran, waktutepung jeung Manglé sababarahawaktu nu kaliwat.

Saban lebaran, méh di unggalimah nyampak kupat. Kupat mé-mang kabula-kabalé. Bisa dituangjeung opor ayam, tumis, goréngan,jeung deungeun sangu nu séjénna.Pungsina méh sarua jeung sangu,ngan béda rupana. Kupat mahwangun na padet tur dibungkus kudaun, umumna dibungkus ku daunkalapa ngora atawa janur.

Ku lantaran méh saban imah soknyarieun kupat, atuh tukang nyieu-nan cangkang kupat nu ramé sabandék lebaran gé tara leungiteun kon-sumén. Malah kalan-kalan anubalan ja cangkang kupat téh sokparebut, da sieuneun teu kabagéan.

“Alhamdulillah saban taun abdikabagéan rejeki tina ngadamelancangkang kupat,” ceuk Asep Yedi,

Nyieunan cangkang kupat, bisnis sataun sakali (nét)

Page 46: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 45

salasaurang tukang nyieunancangkang kupat di wewengkon Ban-jaran Kabupatén Bandung.

Asep ogé nétélakeun, saban réklebaran manéhna nyieunancangkang kupat tara kurang ti sapu-luh rébu ésé. Cangkang kupat nusakitu réana téh teu weléh béak baé.Malah kalan-kalan kurang, da sokréa konsumén anu teu kabagéan.

“Teu acan diiangkeun ka tempatdagang gé, nu badé marésércangkang kupat sok jul-jol manténka rorompok. Malah cangkangkupat teu acan bérés didamel gé tossung-song ngasongkeun artos,matak riweuh ngaladanganana,”pokna.

Ceuk Asep, pikeun nyieunsarébu cangkang kupat manéhnarata-rata ngamodal dua ratus réburupia. Tina modal sakitu téh rata-rata manéhna meunang kauntu -ngan leuwih ti lima ratus rébu.

“Lumayan, tina ngadamelancangkang kupat téh minimal abditiasa gaduh bekel kanggo lebaran,”pokna deui.

Di lemburna, tukang nyieunancangkang lebaran téh lain Asepwungkul, tapi aya kana limaurangna. Pikeun ngurangan biayaoperasional Asep balanja janur ka

Pasar Kosambi Bandung babare -ngan jeung baturna.

“Ari ku babarengan mah lumayantiasa ngirit ongkos, margi ongkosnaréréongan,” Asep ngémbo han.

Ceuk Asep deui, tadina cenahmanéhna sok buburuh nyieunancangkang kupat ka tatanggana. Tapikadieunakeun manéhna dimodalanku anak-anakna pikeun nyieunancangkang kupat nu sorangan, sartadina masarkeunana dibantuan kuanakna anu bungsu. Tangtu baéhasilna leuwih gedé tibatan bubu-ruh nyieun kupat ka batur.

“Abdi ngadamelan kupat téhhusus wé badé lebaran Sawal. Arilebaran Haji mah tara ngadamelan,margi nu mésérna teu seueur saper-tos lebaran Sawal,” ceuk Asep.

Kabutuh kana cangkang kupat

keur nyieun kupat ogé ditétélakeunku Wiwin, warga Kp. Blok Désa.Manéhna paling elat meulicangkang kupat téh sapoé saméméhlebaran. Lantaran lamun disantek -keun ka malem lebaran mah soktara kabagéan. Lian ti kitu,ngagodog kupat mah kawilang lila,jadi nyieunna kudu rada tianggalna.

“Pun anak mah sok ngadat atuhda upami di rorompok henteu ngu-pat téh,” pokna.

Ceuk Wiwin, kupat kaasupkadaha ran anu tahan lama soksanajan henteu maké pengawétkimia. Kupat kuat disimpen tilunepi ka opat poé. Hanjakalnanyieun kupat téh sok méakkeun gas,lantaran digodogna kudu lila.

“Supados henteu nyéépkeun gas,abdi mah ngagodog kupat téh soknganggo suluh baé. Suluhna ké -nging ngumpulkeun pun lanceuk tiawal bulan puasa kénéh. Hawunaogé ngadadak ngadamel di buruan,”pokna.

Wiwin ogé ngémbohan, geus jadikabiasaan ti baheula mula,kulawarga na mah saméméh miangka tempat solat id téh nuang heulakupat, dikuah ku opor hayam jeungtumis atawa sambel goréng ken-tang.*** dédé

Saban lebaran padagang cangkang kupat maréma (nét) Kupat cocog jeung rupa-rupa pasakan (nét)

Page 47: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

46 Manglé 2437

Réa pangusaha, pangpangna dinawidang pakéan jeung aksé-sorisna, anu henteu boga pabrik

husus. Produksina ngandelkeun hasilgawé pangrajin nu nyieunan barang diimahna séwang-séwangan, anu ilahardi sebut ngamaklun. Salah sahiji produkanu biasa dimaklunkeun téh nyaétakantong.

“Panghasilan ngamaklun mah ukurngandelkeun buruh tina ngadamelanbarang anu dipesen, margi sadayanatos dialas ku dunungan,” ceuk CecepSurahmat (38) tukang ngamaklun kan-tong di Désa Campakamulya Kaca-matan Cimaung Kabupatén Bandung,waktu ditepungan ku Manglé sawatarawaktu nu kaliwat.

Cecep ogé nétélakeun, ngamaklunkantong mah tara kabagéan limbah-limbahna acan geusan di olah deui, lan-taran ukuran bahanna éstu dipas pisanku nu mesenna. Ku alatan kitu,manéhna tara pisan boga panghasilantambahan tina nyieunan kantong.

“Panghasilan tambihan abdi mahukur dina tatanén wé, nu digarap dinasela-sela padamelan ngamaklun,”pokna deui.

Ku lantaran geus dialas téa, paga -wé an jeung panghasilan Cecep éstutaya undakna. Cecep tara kabagéanmangsa panén atawa ceuyahna kon-sumén nu balanja hasil produkna, nubiasana datang dina usum taun ajarananyar jeung mapag lebaran.Kaayaanana béda pisan jeung pang -rajin anu nga modal sarta masarkeunhasilna ku sorangan.

“Batan nambihan mah panghasilantéh kalah ngirangan, margi padamelabdi ayeuna seueur anu ngalih ka batur.Panginten pédah di abdi mah ba-yaranana dipanjer heula, sésana di -lunasan upami tos dibayar ku nu mesenkantong. Bénten sareng dibatur,bayaran ana maneuh mingguan,” Cecepngémbohan.

Ceuk Cecep, manéhna leuwih milih

Tukang Ngamaklun KantongTaya Panghasilan Tambahan

Unak - Anik

Cecep Surahmat, pangrajin maklun kantong (dédé)

Page 48: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

47

ngamaklun tibatan nyieun usaha sora -ngan alatan teu boga modal sarta susahmasarkeun hasil produksina. Lian tikitu, ngamaklun mah moal aya résikonanda ngan rugi kawas nu ngamodalsora ngan, lantaran ukur mang - nyieunkeun wungkul. Manéhna mahukur boga élmu jeung kabisa wungkul,nu dijual atawa dimangpaatkeun kubatur.

Ceuk pangakuanana, Cecep bisanyieunan kantong sabada tilu belastaun digawé di pabrik kantong nu ayadi Kota Bandung. Cecep mimiti iciki-bung dina usaha ngamaklun kantong titaun 1993. Kiwari tempat ngamaklunkantongna dipigawé ku genep urang.

“Sadaya padamel kantos didamel dipabrik. Sadayana sawargi-wargi,”pokna deui.

Ceuk Cecep, tina hiji kantong kumanéhna dijual ka nu mesen atawa kapabrik nu aya di Cigondéwah kalawanharga rata-rata sapuluh rébu rupiah.Éta kantong dijual di toko kalawanharga dua ratus lima puluh rébu. Dinasabulan Cecep bisa ngahasilkeun limapuluh losin kantong. Kantong nu djieunku Cecep mangrupa kantong keur baru-dak sarta kantong keur déwasa. Kan-tong barudak diharga keun dalapanpuluh rébu tina salosin na, sarta kan-tong déwasa saratus rébu rupia salosin.

“Upami dirata-ratakeun, panghasi-lan padamel téh saurangna opat ratuslima puluh rébu rupia sasihna,” ceukCecep.

Salila ieu, Cecep ukur ngamaklun kasaurang pangusaha. Manéhna teu bisanarima pesenan barang ti nu lian, ala-tan geus kahutangan budi dibéréngiridit mesin jait. Lian ti kitu, Cecepogé kudu mertahankeun kualitasproduksi na. Lantaran cenah mérekkantong anu dijieun ku manéhna téhgeus kawilang boga ngaran.

“Masalahna, ayeuna mah batur ogéseueur anu muka usaha ngamaklunkantong. Padamel abdi seueur anungalih ka batur. Nu genep urang gépédah wé wargi kénéh. Mesin jantenngirangan,” pokna.

Papadaning kitu, Cecep ogé masihkénéh boga harepan usahana bisaleuwih maju deui, nyaéta ku caraningkatkeun kualitas barangna. Lamungeus maju sarta kualitas barangnaningkat, manéhna tangtu boga niléytawar ka dununganana. Manéhna bisangajukeun harga nu leuwih gedé tiayeu na.***

Manglé 2437

Ngamaklun kantong, taya sésa limbah nu bisa dimangpaatkeun (dédé

Tukang ngamaklun rata-rata kungsi digawé di pabrik (dédé)

Kantong nu dijual di toko réa diproduksi di imah-imah (nét)

Page 49: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

48 Manglé 2437

ARI rampak sekar mah apankudu kompak. Kudu diatursora na, saha nu kudu luhur

saha nu merenah handap. Rampaksekar mah apan teu kaci padu engang.Padu ngaluarkeun sora nu dialeu-aleu,dipapantes jadi kawih. Henteu, teukaci kitu. Rampak sekar mah kudupuguh aturanana. Sora saha nu kuduluhur, sora saha nu kudu handap.Mana nu kudu bariton, jeung saha nukudu sopran. Henteu cara angganasekar, ngawih téh kumaha sorangan.Rék tarik rék laun kumaha karep asalnincak kana musik.

Tah teu kitu mungguh urangSunda mah. Teu bisa pikeun ngawihbabarengan nepi ka payus jiga rampaksekar téh. Dipapandékeun kanangawih mah urang Sunda téh tukangngawih sosorangan, anggana sekar.Anggana sekar gé kudu merenah kudunincak kana karawitanana. Da ari ieumah apan anggana sekar gé jajauheunkana kitu. Ieu mah apan tarik sora téhngan saukur padu engab wungkul,malar sorana kadéngé ku nu lian, danincak kana karawitan mah henteu.

Ari pikeun ngawangun rampaksekar apan kudu sauyunan, kudusareun deuk saigel, abobot sapihanéan,sabata sarimbagan. Sangkan bisa kitunya kudu silih élédan. Tah pikeun daéksilih élédanana nu urang Sunda hésétéh. Kitu sotéh ka papada urag Sundadeui da ari ka deungeun-deungeunmah teu kitu. Ka batur mah lain nganukur silih élédan tapi malah ngéléhan,ngamanggakeun ka nu lian malarleumpang miheulaan. Urang Sundajeung urang Sunda deui mah papadamerekedeweng, méméh batur aingheula.

Cenah mah pangadatan kitu téhperbawa ti baheulana. Apan kasangtukang urang Sunda mah masarakathuma, lain masarakat sawah cara nulian. Ari masarakat huma téa apanmasarakat nu teu butuh ku nu lian.Ngabukbak leuweung cukup ukur kukulawargana, tara nguyang katatangga. Ari ingon-ingonnamasarakat huma mah hayam, lainmeri cara nu lian. Ari hayam téagawéna apan paraséa. Kadaharan di-parebutkeun. Saha nu bisa ngéléhkeunbatur, nu kuat, manéhna nupangseubeuhna. Béda jeung meri.Meri mah gampang diaturna. Di -awuran dahareun gé tara parebutjeung pada baturna. Kamamanalayeut, teu weléh abring-abringan waé.Adat ingon-ingon nerap ka nu bogana.Urang Sunda mah adatna kawashayam. Batur sorangan dipaséaan. Nuadatna kawas kitu kaharti pisanupama moal bisa disina ngawih barengjadi hiji aleutan rampak sekar nu hadé.Hayangna anggana sekar waé. Hayangngawih sakarepna, embung diatur.

Henteu bisa ngawangun rampaksekar téh da puguh urang Sunda mahindividualistis, aing-aingan. Angganasekar. Leuheung mun sorana aralus,da ieu mah éstu teu puguhdéngékeuneun ana. Patarik-tarik, pa-heuras-heuras genggerong. Pangnateu bisa ngawangun rampak sekar,paduan suara, ku lantaran cék KangTHP mah urang Sunda téh teu daékngawangun KKS, komunikasi, koor -dinasi, jeung sinergi. Hartina nya kitutéa urang Sunda mah teu daék ngahiji,individualis, aing-aingan.

Ari rampak sekar apan puguhaturan ana. Sangkan aturanana digugu,

atuh kudu puguh nu ngaturna. Tah nungaturna téa nu di urang teu boga téh.Teu boga dirijén urang Sunda mah.Dirijén téh pamingpin, pan pamingpinanu kuduna ngatur téh. Teu boga nupantes dijieun pamingpin horéngurang Sunda téh. Teu boga inohonganu pantes dituturkeun. InohongSunda nu geus jeneng di tingkat nasio -nal tara ieuh daék nguah-ngaeh urangSunda. Jajauheun kana kitu mah, di-tuturkeun ku papada urang Sundadeui gé geus teu daék. Éta kawasna nungalantarankeun urang Sunda teu per-caya ka inohongna nu geus ngorbitdina kakawasaan di tingkat nasionaltéh.

Ari pangna kitu, ku lantaran apanéta inohong téh jenengna jadi panga-gung di Batawi téh lain ku lantaranpangrojong étnis tapi ku lantaran hasilperjuanganana sorangan. Éta kawasnamah nu ngalantarkeun urang Sundanu geus jadi pangagung di Jakarta téhhenteu ngarasa dirina urang Sunda.Pangna kitu nya ku lantaran urangSunda teu daék ngahiji téa. Cacak daékngahiji mah ngawaangun rampaksekar nu hadé, nu lian téh pastingarasa lingsem. Ieu mah tong borobatur lingsemeun, nganggap étnisSunda aya gé biheung teuing. Da bon-gan salah urang, henteu ngawangunpaduan suara nu hadé. Cacak munurang Sunda ngahiji kawas wangunanrampak sekar mah pasti aweuhansora na bakal nepi ka Jakarta. Malahmoal boa nyambuang sa Nusantara.Pikeun bisa ngawangun rampak sekaratawa paduan suara nu hadé téhjampé na mah ngan sarupa: sareun-deuk saigel, sabobot sapihanéan,sabarata sarimbagan ***

DI KIWARI MACA BIHARI (13)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Sabobot Sapihanéan Sabata Sarimbagan

Page 50: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 49

Page 51: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

50 Manglé 2437

“Matak gé mun barang dahar téhkudu ngatur atuh, bet kawas budak!Kawas nu euweuh deui poé isuk.Tah ari geus kitu kumaha, pan sora -ngan kénéh-sorangan kénéh anunyeri na mah?”

“Mata sia! Meuli ubar kaituh...lain ngocoblak waé!” Mang Dahoambek ngadéngé pamajikananangomong kitu téh.

Pamajikanana gura-giru ka luarbari sambutut da sieuneun di-carékan ku Mang Daho. Pan jaba arikeur nyeri huntu mah sok pohokana lilinggeran mun ambek-ambe -kan téh. Turug-turug Mang Dahomah boga panyakit darah tinggideuih.

Huhhuuhuhhh... huuhuuhhh...Mang Daho nyepengan pipina

anu bareuh, bari teu eureun kutuk-gendeng. Kabéh nu aya di dinya teusirikna laklak dasar, béak beresih di-carékan. Ka burayot, ka rangginang,kana peuyeum ketan hideung anungintip, jeung kuéh-kuéh lebaranséjénna anu ngajugrug dina méja.

“Da mun lain gara-gara manéhmah, moal nyeri huntu uing téh!”

Panon Mang Daho seukeut,mureleng kana peuyeum ketan hi -deung dina kéler anu nyumput dinajero bufet. Kétah teuing nyumputpédah sieun ku Mang Daho, teuingpédah Mang Daho nu ngahajanyumputkeun peuyeum ketan dinabupét ngarah teu béak ku tamu.Wallohu alam... teuing mana nubenerna mah, ngan nu pasti mahgara-gara hubungan éta téh MangDaho jadi panas beuteung, anutungtungna naék kana nyeri huntu.

Tapi... najan nyeri huntu géMang Daho maksakeun nyéréngéh,kagugu ku polah sorangan. Dék teukitu kumaha atuh, malahanpamajikan ana mah ambekkeunpisan, sabab nyieun peuyeum ketantéh geus anu kaopat-kalina. Da anusaméméhna béak waé didaharan kuMang Daho ti puasa kénéh. Saka -peung mah tangka sok parebutjeung budak-budakna.

“Ulah baeud kitu, awon tah lam-bey téh... kawas tamusu” kitu munMang Daho ngagonjak pamajikan -ana nu keur manyun.

“Tuda...!!!”“Teu kudu ringrang, duit mah

loba kénéh. Najan harga béas ketannepi ka dua puluh rébu gé moal bu-rung teu kabeuli. Kuduna mahngajujur keun kana karesep salakitéh...”

“Ihhh... ari akang, lain kitu, dimana-mana gé lamun urang seueurteuing emam ketan mah sok ayabalukarna...”

“Lah kuma engké wé... pirapanas beuteung? Gampang tinggalmeuli adem sari ka warung Tatang,béréss...”

***“Kang...!”“Montong jojorokan deuleu,

gandéng...! nyaho kami téh keurnyenyerina!”

“Emam heula, pan badéngaleueut obat téa?” pamajikananangajorowok di dapur.

“Jeung naon deungeunna, dahartéh?”

“Jeung ieu wé yeuh; tumis cabé,goréng kentang, témpé kering,

goréng ati dihijikeun, lebar bisihara seum.”

“Jeung boléndrang?”Pamajikanana unggeuk.“Beu!”“Kasedep, akang?”“Enya... ngan ayeuna mah pan

kami keur nyeri huntu!”Pamajikanana teu némbal.Tapi najan ngahuleng gé, teu bu-

rung Mang Daho ngalas sangu,nyokot boléndrang dina piring.Meni geus hideung warnana gé,tayoh na balas unggal poé dihaneut -keun.

“Tah caina, abdi badé ngahuapanSi Bungsu?” bari muru ka luar mawapiring eusi sangu.

Sabot keur anteng ngahuapan SiBungsu, ujug-ujug gorowok téhsalakina. Atuh hariweusweus muruka dapur. Kasampak Mang Dahokeur ambek-ambekan. Panonnacirambay bari murulereng kana pi -ring.

“Aya naon, kang?”“Da ceuk aing gé naon!”“Naon kitu?”“Itu?” bari nunjuk.Pamajikanana panasaran, terus

ningali kana sangu anu geus pagalojeung boléndrang.

“Teu aya nanaon, kang?” baringoréhan sangu.

“Tah éta!”“Ieu mah ati, da.” bari ku

pamajikan ana dihuapkeun. “Hé...hé... hé... hé... hé... hé...”

“Naon siah kalah seuri. Nga-jetruk nya? Tah asemna nu kadahartéh! Di sangka mah ati. Tobat huntuaiiing...!” Mang Daho adug-lajer. ***

Panyakit LebaranKu Anggitasari

Page 52: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Gogoda ka nu SalatBarengan bedug Magrib, harita téh tas

wudu rék solat, sup kuring ka kamar pavi -liun. Keur onggéng-onggéngan ruku, nahaatuh teu kanyahoan deui, bet ari beunta dihareupeun pisan aya anu ulang-ileng,panon budak hérang. Séréngéh budakseuri.

Teu kuat kulit beuteung nahanpiseurieun, budak téh dipolototan. Puguhbaé rék sujud téh teu jadi. Rék cengkat deuipiraku, da kapan kudu ruku. Arék rukukagok aya budak.

Ugek-ugek, ugak-ugek, budak téhhayoh kalah ngaragamang nyekel tuur,dieundeuk-eundeuk. Éléh dikitu-kitu mah,nyéh kuring seuri wé, batal solat.

Tayohna mah budak téh nyerangkeunti kajauhan tadi téh. Barang kuring keursolat, palebah ruku tereleng kana sajadah,tuluy andekak sila dihareupeun suku. Arikuring solat téh sok bari peupeureuman,atuh budak téh teu katara datangna,nyaho-nyaho geus andekak di hareupeun.

Ari dongéng Embu mah béda deui.Nuju natepan isa, di kamar garasi. Lampulistrik remeng-remeng. Ana ambu sujud,kana mastakana aya nu ninggang barineuleukeum, da rewas. Tayohna mah anakucing keur kumincir ti tatadi nyerangkeunEmbu anu netepan. Ti tadi oge anak ucingtéh geus ngawaskeun kana mukena embu.Gagayabagan sigana pikaresepeunmanehna. Terus disampeurkeun dikuar-koer ku sukuna.

“Paingan,” ceuk embu, keur ngadegtéh aya nu gugulayunan dina palebah bitis.Tayohna anak ucing téh ajrug-ajruganngagantung dina mukena.***

Basuki – Bandung

Cirina ÉmansipasiKuring boga dulur lalaki anu masih

bubujangan kénéh, sanajan umurna mahgeus leuwih ti meujeuhna pikeun bogapatih goah.

Lain, ieu mah lain rékngadongéngkeun ku naon manéhna numatak betah nyorangan, éta mah daurusan ana ieuh, kuring teu rugi nanaon.Nu puguh mah untung ketah, da mindengupama manéhna meunang rijki –danyora ngan ieuh— tara poho nganteuran kakuring, pokna hatur lumayan kanggonambih-nambih ngagaleuh réncang.

Dina hiji waktu saperti biasa manéhnangajang ka kuring. Biasana ari datang téhtuluy ka dapur nyampeurkeun kuring,tempa-tempo kana lomari dapur, tempat

bangsaning keur kaperluan sapopoé, tuluynyokot coét, mutu, talenan.

Ku kuring diantep sakarepna teu di-garah-gereuh, ngan dina haté ngahelas asaka dulur, geus meujeuhna pisan aya nungawulaan téh.

Sanggeus saksak-siksik manehnarengkuh ngarendos, teuing rek nyieunnaon. Harita kuring ngabelenyeh seurinenjo manehna ngarendos.

Ceuk kuring téh: “Kang, najan enyalalaki sarua jeung awewe bisa ngarendos,geuning beda nya prak-prakanana mah?”

“Wah, naon bedana? Sarua coet dihandap mutu di luhur. Tembalna polospisan. “Mun kitu dibalikeun makena.”

Kuring mah seuri ngadengé jawaban -ana téh, da rarasaan mah asa seukeutpisan hartina, tuluy ceuk kuring téh.

“Leres coet sareng mutuna mah, mungeta ari pameget mah ngarendos téh etacuruk na sok nunjuk, a ri istri mah da tarakitu!”

Manehna ngaheheh, tuluy nembalanbari nyerengeh, “Atuh meureun cocogsareng kapribadian pameget.”

Yeni - Cilandak – Jakarta

CadélKumaha atuh nya? Lah aingah! Asa teu

pararuguh pipikiran. Saré gé tangkaguling gasahan. Beurangna nya kitu téa wé,sok hulang-huleng. Teu boga cara keurpipetaeun PDKT ka Néng Angeu,mangkaning manéhna téh awéwé anudipikahayang ti baréto kénéh.

Si Kunéng mimitina mah nu kitu téh.Boga adi téh kalah méakkeun hancengan.Basa ditanyakeun téh, euu…. dadiemamna mah nembé sakedik, ngan pir-ingna kalah murag, jadi wé dipasihkeun kaSi belang, ucing kameumeutna.

Tapi kétah aya untungna deuih, alatanéta pisan anu bisa nepungkeun uing jeungNéng Angeu, sok najan éra gé.

Ieu deuih!!! Tuda tukang sangu goréngtéh sok opénan. Padahal favorit pisan.Matak naon dagang mah dagang wé tongbari jeung sisirik sagala.

Kamari gé basa kakara jol ka jalan, dékuntab pisan ieu biwir… kalah dipiheulaankieu ku Si Emang téh. “Mang, mésél nasigoléng make telol dadal!” Gusti… tangkaparada, mani beureum ieu beungeut,mangkaning aya Néng Aneu. Duh… nyeripisan ieu haté basa karérét Néng Angeunutup biwirna, nyeungseurikeun…

Bari tungkul, ngasongkeun duit limarébu. Dipulangan ku Si Emang téh lima

ratus, da harita mah hargana opat rebulima ratus.

“Sabaraha nya angsulanana téh,Jang?” tukang sangu api-api nanya.

Kuring surti kana sura-seuri manéhna.Beungeut geus dék beureum deui waé…kabayang tukang sangu goréng bakalngagik-gik nyeungseurikeun.

“Euuu….” Otak mutér. Dunya asa poékeun.

Baluweng kuma carana sangkan kuringteu nyebutkeun; lima ratus. Sabab bakalnyebutkeun ér, téh jadi él…

“Sabarahaeun, nya?” tukang sangugoréng beuki ngélég waé.

“Euuu…”“Gopé, Mang…” Néng Angeu jiga nu

surti, di dituna mah mélaan kuring nu keurpias.

Plooonggg…Gusti ieu haté meni deg-degan basa

ningal imutna anu kareueut.

Irawan-Bojongsoang.

WiwirangJauh sakola tetéh ti imah téh aya dua

kilometerna. Atuh nya lumayan capenatéh lamun dikeureuyeuh ku leumpangmah. Nu matak Tetéh mah sok milunebeng kana oplet nu sok ngaliwat kahareupeun sakola.

Lamun tas turun tina oplet téh geusjadi kabiasaan sok tuluy ngadon dangdanheula, babakuna memeres buuk nu sokkusut katebak angin basa dinaoplet. Teudipake susah keur ngeunteungna mah,maké kaca panto asup ka kelas gé jalan.

Dina hiji poé saperti biasa Tétéh inditka sakola kana oplet. Turunna persis dihareupeun pakarangan sakola. Bari salséTetéh ngeunteung kana kaca panto kelasparanti sasari. Dangdak déngdék, sagaladiusapan, ma'lum nu keur ngageulis.Jeung salse-salse pisan, da datang téh asapangheulana cenah, tacan nyampaksasaha. Rada haleungheum harita téh.

Barang geus ngarasa cukup ngeunteung, bray panto dibukakeun.

Gebeg, Tetéh ngagebeg, hatena nyeb -lak reuwas pacampur jeung era. Gerrr, sa -rerea, nu harita geus araya keur arantengnyanghareupara kertas ulangan sareuri.Guruna mesem. Tangtuna ge nyeung -seurikeun polah Tetéh basa tadi di luar.

“Kasiangan Pa,” cek Tetéh bari nyolo -yong kana bangkuna.

“Heeh, geus geulis? Sok geura ka luar -keun kertas!" saur Pa Guru.

Ti harita Tetéh miceun kabiasaanngeun teung kana kaca panto asup ka kelas.Kabiasaan ngageulisna mah anggerkénéh.***

Mama - Ciamis

Manglé 2437 51

Page 53: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Cacak Lebaran KénéhAdad: “Ari ieu poto sahaeuy?”Adid “Poto uing éta téhbasa keur can kawin.”Adad: “Jauh pisan nyabéda na?”Adid: “Maksudna?”Adad: “Enya dina poto mahgoréng patut pisan.”Adid: “Ari dina kanyataan -ana?”Adad: “Leuwih goréngpatut pisan!”

Aldi NurdiansyahJl. R. Ikik Wiradikarta 31

Tasikmalaya

BéwaraSaurang patani di Garutmaot kasamber guludug,tah ayeu na polisi keur sibukngudag guludug anu didugakabur pikeun di interogasi.Hoorrr…!!!

Ridwan IrawanJl. Arjuna No. 136

AmbekDodo : "Manéh hayangdidagor!!!"Iding : "Hayang lah! Dua

rebu eun wéh, ulah makékécap nya?"Dodo : "Naon arinyanéh?!!"Iding : "Heueuh batagor,lin?"

Ridwan IrawanJl. Arjuna No. 136

Teu ParuasaIndungna: “Kumaha resepNéng, ngabuburit ka KebonBinatang teh?”Anakna: “Resep pisan Ma.Hanjakal seueur nu teuparuasa?”I n d u n g n a : “ M a e n y a ?Saha?”Anakna: “Singa, gajah,monyét. Pokona ampirsadaya na Ma”

Aldi NurdiansyahJl. R. Ikik Wiradikarta 31

Tasikmalaya

NgabandarAtang: “Kumaha usahangabandar kulit kamaribulan puasa, aya kamaju -an?”Ating: “Lumayan. Jauhpisan bédana jeung lain

dina bulan puasa mah.”Atang: “Sabaraha narimaanperkilona?”Ating: “Duaratus pérak.”Atang: “Murah-murah teu-ing? Kulit naon kitu?”Ating: “Kulit sampeu keurjieuneun kadedemes.”

Aldi NurdiansyahJl. R. Ikik Wiradikarta 31

Tasikmalaya

Teu PayuAdut: “Sué ah bulan puasakamari mah dagang és téhteu payu pisan.”Emangna: “Di mana kitudagang na?”Adut: “Di gunung Jaya -wijaya.”Emangna: “Pantes atuhSelud!”

Undang SuherlanCikeruh - Sumedang

Embééé…Guru : “Eembéé...em-béééé... sora naon ari nukitu barudaak?”Ojo : “Embé badot, buguru!”Ima : “Domba garutbuuu..!”Ollay : “Shaun the sheep, buguru..!”Udin : “Wedhus, buu wed-

dhuss...!”Guru : “Dasar barodo! Pangeus sidik sora ibu nu tadimah!!”

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

Uang AingPamajikan: “Emangna, ku -ring hayang meuli baju keurlebaran!”Salaki: “Jig baé asal ulahuang aing.”Pamajikan: “Nyaéta matakmenta dipangmeulikeunoge aing téh teu boga uang!”

Undang SuherlanCikeruh - Sumedang

TiiseunIndung : "Tilu poé euweuhSi Sujang mah asa tiiseunnya, kang?"Bapa : "Komo Si Sujang,pasti leuwih tiiseun, geuratingali ku manéh ka dieu!"(bari muka kulkas. Nyam-pak Si Sujang keurngaréngkol bari ngadegdegdina jero kulkas)

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

PupujianAjengan: “Geus apal

Page 54: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Kabayan, pupujian nu ka-mari téh?”Kabayan: “Kantenan, baringong ngawihkeun pupu-jian: ‘eling-eling dulurkabeh, ibadah ulah sam-poleh... bisina kaburu paeh,sing getol... maraengapleh!”Ajengan: “Kasebeleun siah!Dosa deuleu, Kabayan!”

Soni Sonjaya AlwaliahGeger Kalong Hilir No. 13

Bandung

Aki-aki ModernNini: “Aki keur naon?”Aki: “Ada deeehhh!”Nini: “Eta kopi, kaburu tiismanten!”Aki: “Selllooowww Beib!”Nini: “Dibabuk geura,ngomong téh teupararuguh!” (bari habekkana tonggongna)Aki: “Kheki ... deh!”

Soni Sonjaya AlwaliahGeger Kalong Hilir No. 13

Bandung

BBMIbro : “Mooonnn…!!”Momon : Aya naon atuh?”Ibdo : “Lain euy! Uing mahteu ngarti ku pamaréntah,keur mah hirup téh susah,der ayeuna rék naékeunharga BBM, nepi ka udud gémeuni teu kabeuli-beuliacan!”Momon : Heuupp...!hayang udud mah ngomongwé ka uing, tong sok mama -wa pamaréntah sagala lah,lieur!!”Ibro : “Hehehe… haturnuhun atuh..”

AstriJl. Gurame no. 123

AnjingJoni: “Alus maneh mahboga anjing téh jarangkung,turu nan luar negri euy?”Jono: “Ah... lain, meunangngabasterkeun bapa didieu!”

Joni: “Na dibasterkeunjeung naon kitu?”Jono: “Jeung kuda!”

Soni Sonjaya AlwaliahGeger Kalong Hilir No. 13

Bandung

UcingA: “Ari ubar eungap kunaonnya?”B: “Coba ku kumis ucinggeura!”A: “Enggeus, tapi anggerwae!”B: “Ku ucingna atuh!”A: “Pek ku sia!”

Garini GantiniLido – Sukabumi

Budak AyeunaBapana: “Yeuh Jang, tonghayang ka si eta, indungnacerewed pisan, piduit jeungteu pikaresepeun waepokona mah!”Anakna: “Keun wae bapa,Ujang mah teu bogoh kaindung na, bogoh sotéh kaanakna.”

Garini GantiniLido – Sukabumi

Uang AingPamajikan: “Emangna, ku -ring hayang meuli baju keurlebaran!”Salaki: “Jig baé asal ulahuang aing.”Pamajikan: “Nyaéta matakmenta dipangmeulikeunoge aing téh teu boga uang!”

Undang SuherlanCikeruh - Sumedang

Ngalap MaapMamah: "Mamah ngalapmaap ka papah nya lan-taran mamah banyakkasalahan. Aya kasalahanalakadarna aya kasalahanbadag satara awak gajah,sadayana mamah harapmaap!"Papah: "Papah nampa Mah.Papah sama saja ngalap

maap ka mamah alatanpapah banyak alpa dankasalahan. Antarana ka-palay mamah banyak yangkagak papah laksanakan.Nga napka han alakadarna.Dan kasalahan papah yangamat badag satara sagaranyata na papah palay garwa -an ka randa anyar. Nahamamah nampa?"Taya jawaban na bahammamah.

Féndy Sy. CitrawargaBandung

AralKu sabab monyét anu keurdilatihna kabur, nya MangDodo néangan monyét deuika leuweung. Tapi weléh teumanggih.Nya ku sabab aral, mangDodo mawa gajah di leu -weung. Dék dilatih.. baécenah euweuh monyét ge,bisa ku gajah. Pan alus jadidogér gajah…

Nyai Roro DewiJl. Pasirkoja 90 Bandung

HapéNono jeung ibro nyopét, hijiwaktu meunang hapé.Nono : “Bro.., uing rék nga-datangan nu boga hapénanya?”Ibro : “Rék nanahaon arisilaing?!”Nono : “Ieu réknanyakaeun, ari casanna dimana, béak batuna yeuh…”

Nyai Roro DewiJl. Pasirkoja 90 Bandung

HeureuyDina hiji peuting kadenge dihiji imah aya awewe keurkukulutus ka salakina.“Emh, teungteuingeun bogasalako téh, teu adil. Ka nungora mah merena téhbeja na duren, na ari ka aingkadu! Jeung kieu wae mahmending paeh we dihakanmaung!”Teu kanyahoan salakina di

pipir nu kakarek datangngadengekeun. Tuluy waengaheureuyan ngautankana bilik imahna.Barang ngadenge nu kakautkitu, pamajikan kolotkacida reuwasna.“Duh, hapunten da heureuynyarios kitu sotéh, Menak!”bari ngadegdeg awahing kusieun. (Jaman baheula mahcenah maung téh sok di -sebut menak)

Garini GantiniLido – Sukabumi

ReueusUu : “Kudu reueus disebutbuaya ku si Onih mah, ciri -na silaing payu.”Budi : “Heueuh ari dilandihbuaya wungkul mah leu -heung..”Uu : “Ari kitu nyebut naonsi Onih ka ilaing téh?”Budi : “Nyebut…, keur sigabuaya téh, siga lutungdeuih, cenah…”

Nana SukmanaAstana Anyar No. 23

Ngadahar KarangIndung : “Sujang, rék milumoal ka Jakarta, nganjangka uwa manéh?”Sujang : “Moal aaahh…”Indung : “Naha?”Sujang : “Tuda Si Uwa mahsok nitah Makan Karang kaUjang téh, Indung : “Kumaha kitu?”Sujang : “Lu mau makankarang, atow entar, kitucenah…”

Ryan DarmawanJl. Jamika No. 45

Sugan téhBudak : “Mang, damang?”Emang : “Saé, jang…”Budak : “Daék teudiadukeun jeung domba….”Emang : “Si kasebelansiah!!!”

Ryan DarmawanJl. Jamika No. 45

Manglé 2437 53

Page 55: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

54 Manglé 2437

Teu salawasna urang mepehekpartey pulitik. Urang oge perlumuji, upamana, pokal Partey

Gerakan Indonesia Raya (Gerindra) numasang iklan dina koran Kompas,Salasa, 16 Juli, 2013. Pinuh sakebet(sakaca) iklan bieu teh judulna 6 Prog -ram Aksi Transformasi Bangsa PartaiGerindra 2014-2019.

Genep program bieu tehngawengku (1) Membangun EkonomiYang Kuat, Berdaulat dan Makmur(2)Melaksanakan Ekonomi Kerakyatan(3) Membangun Kedaulatan Pangandan Energi serta Pengamanan Sumber-daya Air (4)Meningkatkan KualitasPembangunan Manusia IndonesiaMelalui Program Pendidikan, Kese-hatan, Sosial dan Budaya (5)Memba -ngun Infrastruktur dan MenjagaKelestarian Alam serta LingkunganHidup (6)Membangun Pemerintahanyang Bebas Korupsi, Kuat, Tegas danEfektif.

Tah, saban program ditetekpedaran aksina. Upamana program no4 ngawengku 13 aksi, diantarana : men-jamin pelayanan kesehatan gratis bagirakyat miskin, mengembangkan rumahsakit modern di setiap kabupaten dankota dan memberikan jaminan sosialuntuk fakir miskin, penyandang cacatdan rakyat terlantar, meningkatkanperan PKK, Posyandu dan Puskesmas,menggerakkan revolusi putih mandiridengan menyediakan susu untuk anak-anak miskin di sekolah denganmendirikan proyek=proyek sapi perahdan kambing, mewajibkan sarjana dandokter yang baru lulus untuk mengabdidi kantong kemiskinan dan daerahterting gal, melestarikan peninggalandan warisan budaya bangsa sebagaikekuatan dan pemersatu bangsa.

Tangtu iklan bieu teh dipasangdina koran nasional kulantaran Pemilu2014 geus nyantek. Komo deui ParteyGerindra pan nyalonkeun KetuaUmumna Prabowo jadi capres. Me-

mang, bisa wae urang hamham kanagenep program bieu, tapi paling henteugeus aya juntrungna. Tinggal rahayatengke nagih program bieu munGerindra manggung di panggung puli-tik nasional. Malah, ti ayeuna keneh

oge, urang bisa ngajak lawung kaderpartey Gerindra supaya medar programbieu. Upamana wae, urang bisananyakeun kumaha nyadiakeunanggaranana supaya saban programbisa dilaksanakeun. Kitu deui engke,urang oge bisa nanyakeun rengrengananggota kabinetna. Da sanajan prog -ram hade oge, ari para menterina hen-teu mampuh mah nya bakal percumahatuh.

Adu ProgramAlusna mah, lain partey Gerindra

wungkul nu ti ayeuna geus ngumum -keun program aksina teh, tapi parteysejenna oge sarua perlu nembrakkeunhojahna. Jadi, saban partey pulitik“berlumba-lumba dalam kebaikan”enggoning ngamajukeun jeung ngara-harjakeun bangsa urang. Engke urangbisa ngabanding-banding partey puli-tik mana nu programna kaitung pang-hadena tur tembong realistis deuihhenteu ngawang-ngawang teuing. Kucara kitu, saban partey pulitik sasatna

dipecut supaya nembongkeun hojahna.Cik urang dagoan, kumaha programaksi Partey Nasdem, Golkar, PPP, PAN,PDIP, Demokrat, PKB, PKS jeung nusejenna?

Alusna mah teu kudu ngadagoanheula mangsana kampanye, ti ayeunakeneh oge partey pulitik nu geusngaboga an program aksi bisangayakeun panglawungan jeungsakumna rahayat. Coba ayakeun acaradebat terbuka ngeunaan jurus-jurusngalaksanakeun program tea. Tah, kukagiatan saperti kitu pan partey pulitikngalaksanakeun atikan pulitik kasakumna rahayat. Ngan rahayat nugeus beunta apan nu bisa diajakbabarengan ngahontal cita-cita urang.

Program KasundaanNya tangtu wae, urang Sunda oge

perlu ubyag nyusun program aksi ka-sundaan. Tetek sing jelas naon wae nuperlu dilakukeun dina waktu sapuluhnepi ka dua puluh taun ka hareup.Sebut wae, upamana, 10 Program AksiTransformasi Masarakat Sunda 2014-2024. Upamana wae, ngagalang sakitutrilyun dana kasundaan pikeun mukalahan pagawean, ngadegkeun sakiturebu sakola, pausahaan, pabrik,pabukon, panerbitan, ngahejolem-bokkeun kota, ngaheranggenyaskeunwalungan, ngariksa leuweung jeungprogram sejenna. Keprak organisasi ka-sundaan ( Paguyuban Pasundan, BAM-MUS, Damas, AMS jeung nu sejenna)sina giak hojah ti ayeuna keneh. Atuhayakeun sinergi antara ormas kasun-daan jeung partey pulitik. Cik parteypulitik oge, hususna nu aya di TatarSunda (Propinsi Jawa Barat jeung Ban-ten), sina nyusun program nu nedunanaspirasi kasundaan.

Tah, asal urang tigin, getem,leukeun jeung rajin ngayakeun tepunglawung jeung kaom progresip sakumna,piraku impian henteu kahontal? Prung,ah! *** Karno Kartadibrata.

Program

Page 56: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

Manglé 2437 55

KA GIGIR:1. Sésa4. Teu nyambung7. Nu nyebarkeun agama Islam di PuloJawa8. Mahi ku saeutik9. Paranabi10. Mencarkeun cahya ka unggal mad-hab13. Ulubiung15. Persatuan umat Islam16. Saat tutupna waktu saur, méméhmanjing waktu subuh17. Angkatan Muda Siliwangi18. Kudu dipiboga ku supir19. Lampu hias23. Kota di Jawa Barat nu sohor kudodolna25. Mesum, riuk27. Euweuh caian28. Aksara Jepang29. Kulit paranti ngabulen bitis, sok di-paké ku nu tumpak kuda

KA HANDAP:1. Siga2. Istilah dina hukum3. Cahya4. Tataheunan paragi ngala sato leu -weung5. Hal anu teu/can katepi ku akal6. Ngaderes Al Kur’an

8. Waktu solat11. Bocor saeutik12. Jalma pilihan Alloh14. Untung15. Lésot, coplok (huntu)16. Barang lain asli20. Gelaran keur lalaki anak bupati21. Tangtu22. Poé pangéling-ngéling lahirna NabiIsa24. Hujan (Inggris)26. Indung

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1404. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1402:

1.Tias AmbarwatiPerum Permata Biru Blok DD No. 33 A Bandung

2. JulimanKmp. Cigupakan RT 03/03 28Kelurahan Cisurupan Bandung

3. Titin HeryatinBlk RM Man Jabal 2Jalan Gunung Cupu Ciamis

1404K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mitra Sunda WA - Mangle 2437

“Alhamdulillah, salamet.”“Salamet balik deui ka dayeuh,

Lo?”“Enya, Mang. Sok sanajan awak

karasa asa pararegel.”“Pararegel alatan rék

nyanghareu pan deui rutinitas pa-gawéan sapopoé?”

“Lain, Mang.”“Ari kitu?”“Paregel jeung nyareri awak urut

padedet dina kandaraan, Mang.”“Oh.”“Di imah gé ayeuna mah geus

biasa deui wé, Mang.”“Biasa deui murak kakarén

lebaran, Lo.”“Nyaéta maksud biasa deui téh

kakarén lebaranana geus béak,Mang. Kari dahareun sapopoé wé,nu biasa téa.”

“Nu biasa kumaha ari Alo?”“Nu biasa saaya-aya, remen

tayana téa geuning, Mang.”“Beu.”“Héhéhé.”

“Tapi aya nu tacan biasa deuih,Lo?”

“Naon nya, Mang?”“Cikopi panas biasana wayah

kieu mah, Lo.”“Aéh enya nya, can disuguhan

kopi Mamang téh.”“Tuh geuning surti.”“Heuheuy….”“Kaayaan di jalan ogé geus biasa

deui, Lo.”“Macet jeung pabaliut nyah?”“Enya, Lo.”“Pabaliut ku jalma-jalma anu

ngalakonan deui rutinitas, Mang.”“Enya. Sareukseuk deui wé kota

téh.”“Ngan aya nu ulah balik deui

kana saperti biasana, Mang.”“Kutan?”“Saperti biasa téa geuning,

ngomongkeun batur, Mang.”“Heuheuy. Kapan osok urang

ogé, Lo.”“Urang mah kapan

ngomongkeun ana ogé dina raraga

kritik, Mang.”“Enya ceuk urang, teuing ceuk

nu dikritikna mah.”“Mugia wé aranjeunna jarembar

manah, Mang.”“Amin.”“Aya deui ceuk Pa Ustad, Mang.”“Kumaha cenah?”“Ulah balik deui saperti biasa

cenah, Mang.”“Naon anu ulah balik deui kana

biasana téh, Lo?”“Amal ibadah, Mang.”“Yaktos. Kedah kumaha atuh

amal ibadah urang téh, Lo.”“Leuh, maké dimimitian ku

kecap yaktos sagala.”“Pikeun némbongkeun kadaria -

an, Lo.”“Oh.”“Kedah kumaha, cenah, amal

ibadah urang téh?”“Kedah langkung ningkat ti

biasa na.”“Yaktos.”“Margi urang kakara réngsé dik-

lat dina bulan puasa. Kapan roma -don téh pikeun umat muslim mahbisa disebut diklat pikeunningkatkeun amal ibadah, Mang.”

“Yaktos.”“Ari luareun ibadah mah keun

baé rék balik deui saperti biasa gé.”“Aéh enya, kapan biasana ogé

Alo téh sok nyésakeun tumis garingsésa lebaran.”

“Hih, ku apal baé ari Mamang.”“Ku geus biasa téa, Lo.”***

Biasa

56 Manglé 2437