Mangle 2469

57

Transcript of Mangle 2469

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-

marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM

Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S, Ade.

Ngawawarkeun paniatan hayang boga kahadéankeur balaréa....cenah! Naha maké kudu di-wawarkeun? Apan batur acan wawuheun ka uing!

Can wanoh kana dedeg pangadeg, can apal kana kaahlianuing, can apal kana paniatan uing. Katingal babalapanana,paalus-alus pasang peta, pahadé-hadé nyieun uar panga-jak, jeung pagedé-gedé pangbibita. Ari kituna mah kaharti,apan nu kampanyeu téh lain saurang dua urang, puluhanmalah ratusan pada-pada hayang kapilih ku balaréa, palayjeneng andegléng dina korsi goyang di gedong sigrong diSenayan.

Kajurung ku ngagedurna karep hayang “nyait nasibngangkat darajat” dulur salembur baraya sanagara, atuhdina prakna kampanyeu téh loba pisan anu poho kanatatakrama, jiga sakarep ingsun , teu nolih wanci teu malirélahan. Pan aya nu geus derengdeng miheulaan batursaméméh piriwit ditiup ku KPU jeung Pnwaslu. Nu mi-dang dina koran jeung majalah, nambahan pangasilan kapamedalna. Nu narangkod baé dina tangkal kai jeung ti-hang listrik sapanjang jalan téh teu maliré kana larangan

pamaréntah kota “ atribut kampanyeu ulah ngarurujitkaéndahan kota”.

Ari pokpokanana, jangjina ésatu aramis pisan. Jiganateu kaémut naha éta jangji téh geus diijir bakal bisakacumponan? Jeung éta raray anu nyarengan jangji nungajeblag téh geuning raray anu tos dipiwanoh daseuseueurna nu karampanyeu ayeuna téh anu tos lami je-neng di Senayan. Ari kitu iraha atuh rék ngagéhan ka nuanyar anu bener-bener hayang babakti ka nangri, bébélakana nasib balaréa. Jigana mah teu jadi soa bisa nedunanjangji mah, nu penting ayeuna mah uing bisa meunangsora panglobana. Lamun perlu, iwal anu tingjareblag dinapapan reklameu atawa dina tatangkalan nu ngahieumandeudeuleuan téh teu kurang-kurang anu geus sasadiaanamplop jeung sembako keur serangan pajar, cenah!

Ari kituna mah unggal usum gé urang teu bisa nying -kahan ieu kaumuman téh da geus dirageuman ku urangsaréréa yén nya ku cara kieu urang bisa wanoh ka calonpamingpin bangsa anu dipiharep bisa nyait nasibngangkat darajat bangsa téh. Muga baé kabiruyungan.***

Kampanyeu... kampanyeu... kampanyeu!

LLawangSakéténg

IMPLIK - IMPLIK

Pamor Karinding

Geus Mimiti Turun

......................................................... 10

NYUSUR GALUR

Prasasti Batutulis Bogor

Saperti Nu Dipedar

ku Saléh Danasasmita ..................... 12

LAPORAN

Kang Uu

Sunda Lain Ukur Ngigelan, Tapi

Ngigelkeun Jaman .......................... 24

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Aweuhan ........................................... 41

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Rumaja .................................. 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5PROFIL

Agus Gumiwang Kartasasmita;

Nguatan Gerakan Milih Pamingpin Sunda

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Bada isya, Oyoy leumpang soranganmuru lembur Pos Jaga OKD Karang

Anyar nu geus narungguan manéhna.Haténa karasaeun harampang jeungbungangang. Mun téa mah manéhna

bisa numpes gorombolan nu rék ngaran-jah lembur Karang Anyar, mana teuing

bakal panjang caritana. Moal boa étabéja bakal nepi ka Lilis. Aya harepan

Lilis bakal daékeun ngarangkep....

Tanjakan Panawuran

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Redaksi Majalah MANGLÉ nampi mangrupi-rupi seratan ti mitra MANGLÉ, bohfiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: [email protected] cc: [email protected] seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratankaryana tangtos kenging honor.MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sarengsaran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)

3Manglé 2469

KKacaTilu

Tuan Kawasa

Salila tilu minggu, ti mimiti tang-gal 15 Maret, sakumna bangsaIndonésia bisa nyaksian kampa-

nye di mana-mana. Para pamingpin,anu sapopoéna andegléng di kantoranu diamparan karpét jeung tarapareum tina AC, ayeuna mah turununggah panggung nepi ka kampung-kampung. Di mana-mana maranéhnaawong-awongan pidato, bisa jadi eusi -na mah kitu kénéh kitu kénéh, barijeung teu mustahil sabenerna mahmaranéhna gé teu ngarti kana eusipidatona.

Tapi da mémang ayeuna waktuna.Cenah, kitu soténan ceuk maranéhnasorangan. Dina salila lima taun téhngan tilu minggu lilana pahareup-hareup langsung jeung rayat mah.Bari jeung sakolépat-sakolépat dajadwal na ngahaja disina padet. Isuk-isuk pidato di hiji tempat, beurangnapindah ka tempat séjén, soréna nyakitu deui.

Naon hasilna tina nepungan rayatdina waktu nu sakitu samporétna?Bisa jadi tujuanana ogé lain ka dinya.Lain arék ngadéngé kana paméntaatawa kahayang rayat tapi sabalikna,hayang ngabéjaan kahayangna sora -ngan tur miharep ku rayatna bakaldigugu. Naon salahna? ceukmaranéhna, lantaran kakawasaankeur aya dina cekelanana.

Nu diparebutkeun dina jero tiluminggu téh teu kurang teu leuwih iwalti kakawasaan. Waktuna sagala rupatohtohan, lantaran lamun pareng bisanyekel kakawasaan éta téh pikeunlima taun lilana. Keun baé capé jeung

kurang saré salila tilu minggu gé lan-taran engkéna bakal bisa senang-senang, hirup monyah-monyah barisaré tibra lima taun lilana.

Kungsi populér pisan nungaranna Tuan Kawasa. Jaman ba-heula, ceuk dina caritana mah.Jaman Walanda, da anu jaradi tuan -na ogé nya maranéhna. Kangaranannu ngajajah nya tangtu wé sagalarupa sangeunah na. Sagala rupakumaha manéhna. Teu kudu kahala -ngan pédah teu adil, teu kuduhamham pédah hawek jeung koko-moan. Manéh anu kudu bobolokotkésangna, kuring anu senang-senangna. Éta téh cirina anu bisakumawula. Mémang kitu kudunalantaran kuring Tuan Kawasa.

Kakawasaan Walanda geus buraksalila-lila, tapi ari Tuan Kawasanamah henteu milu baralik ka nagarana.Ngan semet ganti kulit, ganti beu -ngeut, tabéatna mah teu pati jauhbéda na. Saha anu bisa netepkeunsawah anu subur kudu ganti jadilahan industri? Tuan Kawasa. Sahaanu ngidinan pasir beusi diunjalan kujalma anu ceuk urang dinyana mahsaha boa? Tuan Kawasa. Saha anubisa netepkeun leuweung geledegandikapling-kapling pikeun ditaluarankaina? Tuan Kawasa. Saha anu ngidi-nan cai nyusu anu tadina bisa diinumku saha bae sina robah jadi air mine -ral anu dijualan ka unggal jalma?Tuan Kawasa.

Dina jaman Romawi, minangkapanghargaan ka tentara anu gedéjasana, tanah rampasan téh diduum -

keun sina jadi garapan masing-ma -sing. Sanggeus pangsiun para jendraltéh bisa hirup medah-meduh. Tapilain di Romawi kajadianana lamunaya jendral pulisi anu boga tanah legadi mana-mana. Turta éta tanah téhlain minangka pamulang kana jasana.

Démokrasi, anu keur dikeureu -yeuh ku urang, mindeng pisan ti-tatarajongna. Kakawasaan anuhakna aya di rayat, mémangdidelegasi keun ka para pamingpinboh nu aya di pamaréntahan boh nuaya di législatif. Tapi naonagulkeuneun ana pemilu anu di -sebut jujur jeung adil lamun hasilnangan semet unggal taun nyadiakeunraskin.

Tuan Kawasa anu harita ngunjalansagala rupa ti urang ka nagarana,jumlah na beuki dieu asa beuki loba.Geus puguheun anu baroga modalna,dalah anu jaradi calona di dieu gésarua ngarasa jadi Tuan Kawasa.Ngan wandana anu robah téh daprakprakanana mah kitu-kitu kénéh.Cenah apan, lamun juragan bupatiharita arék kariaan, ménta sapi kaunggal wadana hiji séwang. Dina gili-ranana, unggal wadana ménta sapi kaunggal camat hiji séwang. Ti camatna,ménta sapi ka unggal lurah, hijiséwang. Alesanana mah sarua, jura-gan bupati badé kagungan maksad.

Bener ceuk nu weruh di semuna,rék dina jaman karajaan rék dinajaman républik, lalakon Tuan Kawasamah moal leungit-leungit. Komo dinajamanna démokrasi diwowoy ku anubaroga modal. AM.

Sim kuring tinggal diJakarta, sakali-kalilamun sok aya liburanpoe Saptu jalan-jalan kaBandung. Tapi lamun kaBandung teh paling kadaerah Bandung Kaleranu rame ku jualan "fac-tory outlet" , jarang maenka daerah kulon, wetanatawa kidul mah.

Sakali waktu kuringjalan ka puseur kota Ban-dung nyaeta ka sakitaralun-alun, jaman baheulamah anu namina puserkota teh nyaeta alun-alunjeung aya masjid di hare-upna.

Tah ieu aya hubun-ganana jeung judul nudiluhur, tapi maksudnaheurin di dieu lain heurinku tangtung (bangunan)tapi ku PKL nyaeta pada-gang kaki lima.

Kamana atuh Wa-likota Bandung teh?,naha teu ningali kaayaandi kotana? padahal studibandingna mah geus kamancanagara tapi hasilnacan katingali.

Ulah jauh-jauh cobitingali kota Surabayaatawa kota Solo bisangatur PKL anu minuhantrotoar, naha Bandungheunteu bisa ngabere-sihkeun PKL? padahalbaheula mah Bandungteh kasohor kota "ParisVan Java". Jakarta aye-una geus ngawitan mere-san PKL di daerah TanahAbang.

Baheula mah jalan

Dago, Cipaganti, Ciham-pelas jeung jalan Riau tehmangrupa hunian elit,masih aya keneh wangu-nan-wangunan paning-galan urang Walanda. Ariayeuna campur baurjeung nu jualan rupi-rupi.

Coba dingawitan tisakitar alun-alun heulangabersihkeun PKL tehutamina di trotoar jeungdi alun-alun di sakitarmesjid Agung, tem-patkeun sementawis didaerah Tegalega. Sat-erasna eta angkot ulahmuter di alun alun.Cukup we nepi ka KebonKalapa jeung jalan OtoIskandardinata.

Hatur nuhun, mugikaaos ku juragan-juraganpanggede di Bandung.

JakartaRachmat Budiman

Sudjanabrata

Milih Pamingpin

Bébasna nangtukeunpilihan, salah sahijiwujud kabébasan warganagara. Dina sual nang-tukeun putusan, moal ayanu bisa ngahalang-ha-lang. Ceuk kekecapanKahlil Gibran mah, “An-jeun bisa nalikung le-ungeun kuring,ngabakutet suku kuring,malah ngalungkeun awakkuring ka panjara, tapianjeun moal bisa ngaha-lang-halang pikiran kur-ing.”

Pilihan bébas ogé bisadilarapkeun dina wak-tuna milih pamingpin.Masing-masing pihak,bisa ngalaksanakeunléngkah-léngkah jeungmutuskeun luyu jeunghak masing-masing.Upama kandidat bogahak ngébréhkeun ka-mampuhanana, nu rékmilih gé boga hak ngujijeung nimbang-nim-bangna. Di dinya mah,bisa batu-turun keusiknaék, nepi ka masing-masing ngahotal karepna,najan teu bisa sugemasagemblengna kana pili-

han jeung putusanana.Margi kitu, sawadina

saméméhna milih tehkedah datangna tina rasajeung pikiran nu panjang.Tina rasa, henteu cukupku resep, tapi wanohkana program-program.Panjang, hartina aya im-plengan pikahareupeunnu leuwih hadé.

Sakitu waé serat tipribados. Ngahaturkeunrewu nuhun ka AisPangampih Manglé.

Wassalamu’alaikum

JumhanaBandung

Manglé 24694

KKoropak

Majalah Manglé

Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan

PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.

Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé

Jalan Lodaya No. 19 Bandung.

Telepon 022-7303438,

Hp. (Tuti) 0857 21307232

1.Tatarucingan

Rp. 15.000,-

2.Kabungbuleungan

Rp. 40.000,-

3.Cahaya Gumawang

dina Ati

Rp. 20.000,-

Bandung Heurin ku Tangtung

5Manglé 2469

PProfil

Agus Gumiwang Kartasasmita;

Nguatan Gerakan Milih Pamingpin Sunda

Angen-angenna ancrub kadunya pulitik, écéspatékadanana, babakti ka

lemah cai. Ku lantaran kitu, waktuAgus Gumiwang Kartasasmita(AGK) kapeto jadi anggota DewanPerwakilan Rakyat (DPR RI), 1997-1999, inyana ngecagkeun pancéngawé séjénna, demi museurkeunperhatian kana tugasna, jadianggota DPR RI.

Harita umur AGK téh kakara 28taun. Jadi wawakil rahayat gé, kaa-sup kana ‘golongan’ lima urang nupanggorana mangsa harita téh. “Asateu percaya waktu harita dilantikjadi anggota DPR RI téh,” poknanyo réang mangsa ka tukang.

Upama inyana kapeto jadianggota déwan, mémang teu ujug-ujug. Da, dimitembeyanana gé tianggalna kénéh. Asupna kanadunya pulitik, jadi pangurus Golkarlantaran asak pangalamanana dinarupa-rupa organisasi kapamudaanjeung kamasarakatan. Atuh, mere-nah, upama inyana téh padangahiap-hiap, diajakan ngagabungka Golkar. Salah sahiji bekelancrub na kana dunya pulitik, diantara na, lantaran AGK téh kungsijadi ketua umum AMPI.

Jadi pulitisi nu ngantor diSenayan, méméh Reformasi mahukur dua taun (1997 – 1999).Saterusna, lir ayak-ayak beas,! Ngannu bener-bener hadé ajénna jeungweweg pangalaman nu saterusna

ajeg makalangan mah. Apan, satu-tas Reformasi, babak pilihan umumgé leuwih bruk-brak, nu kapilihtéh nu bener-bener me-unang dukunganmasarakat. AGKngabuktikeun dirina,mampuh ngayo nanparobahan jaman.

Modal jeungPanga laman

Agus GumiwangKartasasmita, teu -reuh Sunda. Lahir nataun 1969 di Jakarta,lantaran rama na Gi-nanjar Kartasamitamancén gawé dipeuseur nagara, nya lirceuk paribasa, teng

manuk teng anak merak kukun -cungan. Teureuh ‘katokohan’

kolotna gé, nétés ka di-rina. Kitu téh, lan-taran AGKdiwanohkeun kanapulitik jeung uru-san-urusan kana -gara an ti bubudak.Inyana remendibawa nepunganparatokoh nasio -nal di saban tem-pat. Ku cara kitu,

Agus boga kalude-ung campur gaul

jeung rupa-rupajalma, kaasup jeungnu saluhu reun.

Upama aya pari -basa pangalaman

téh guru anu

Ancrub kana dunya pulitik, lir lauk jeung caina. Kitu Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK) mah.

Ngan, naon wae ketak jeung lalampahanana salila makalangan di dunya pulitik?AGK medar pangalamanana.

***

Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK)Nyumangetan milih pamngpin Sunda

utama, ku AGK mah éta kekecapantéh karasa pisan. Malah, nya tinapangalaman téa, dirina ngarasaboga kamampu han ngalaksana keunpancén gawé sarta boga ‘jurus’ geu-san ngungkulan rupa-rupa pasu-alan. “Sim ku ring yakin, pulitik téhraket tumalina sareng pangalaman.Upama urang rajin ngimeutanrupa-rupa pasua lan sarta gaduhbakat, sagala rupi bangbaluh tiasadiungkulan,” pokna gedé haté.

Kayakinanan kitu ogé, medaltina pangaruh sepuhna. Ramana,teu weléh ngingetan, hayang ngartikana pulitik bisa diajar tina lingku -ngan, pangalaman, jeung kawijakan(wosdom). “Ngan, tangtos kedahngagaduhan élmu pangaweruhsanésna sangkan ancrubna kanapulitik téh puguh kaahlian nudiandel keunana,” pokna.

Sual kamampuhan nu ku AGKdisebut ‘andelkeuneun’, keur dirinamah mémang jinek. Ancruba jadiwawakil rahayat téh apan kudu di-dadasaran ku kamampuhan anujinek. Da, inyana gé sadar pisan, jadiwawakil rahayat nu ngantor diSenayan mah, kudu ‘masagi’. Lian tiboga wawasan nu tumali jeung puli-tik boh daérah, nasional, ogé inter-nasional, ogé boga bekel élmupangaweruh nu dipikabutuh kubangsa katut nagara. Cindekna,kudu boga élmu nu cukup keurngemban tugasna.

Jauh saméméh ancrub kanadunya pulitik, inyana gé geusnyusun tatapakan karirna. Tangtuwé, lian ti atikan kulawarga, boh nutumali jeung agama, ogé sakolasaluhur-luhurna. Keur budak, najantara ngaji ka madrosah, tapi anggerwé ngaji mah kudu. Malah, kula -wargana gé ngadatangkeun gurungaji sangkan Agus sadulur-dulurbisa ngaji jeung paham kana agama.

Ari sakolana, satutas tamatSMP téh diteruskeun di nagri deu -ngeun. Sakolana di Amerika. Kitunatéh, tanjrih nepi ka kuliah. Sabadatamat SMA di Amerika, neruskeundeui nyuprih élmu di Pasific Wes -

Manglé 24696

PProfil

tern University Bachelor of ScienceCommercial and Industrial Econo -mic, California, Amerika Serikat.

Dumuk di nagri deungeun, sartabiasa ngalanglang mancanagara,teu poho ka bali geusan ngajadi.Malah, kanyaahna ka bangsa sora -ngan téh beuki nambahan. Da munkaparengan sasabaan ka nagri nuleuwih maju, apan sok timbul rasahayang ngamajukeun lemah caisangkan kawas nagri deungeun numaraju. Atuh, patékadan sakola diluar nagri gé, demi lemah cai.Saterusna, najan di nagri deu -ngeun, remen pisan ngawangkongjeung para nonoman dulur sa-bangsa nu keur sarakola diAmerika. Jejer obrolan, taya lian tinyaritakeun kaayaan nagri sora -ngan kalayan upaya ngamajukeun -ana.

Réngsé tolab elmu, mulang kalemah cai. Prak deui wé aktip dinarupa-rupa organisasi, ti tingkatpusat. Ku cara kitu, rasa nyaah kabalaréa téh tumuwuh leuwih kuat.Matak, najan loba piliheun profesilantaran boga élmu ti luar nagri,inya na milih leuwih deukeut jeungmasarakat.

Pilihan pulitik AGK lanamanjang keun lalakon. Dina pilihanumum mungaran pasca reformasi,AGK makalangan. Mancén tugas tiPartey Golkar, jadi wawakil rahayatti Jabar 2, ngawakilan KabupatenBandung jeung Kabupaten BandungBarat (KBB). Harita, (1999 -2004)AGK kapilih, miang ka Senayan.

Ancrubna deui jadi caleg, AGKboga tujuan jinek. Sangkan leuwihloba deui urang Sunda nu jadianggota DPR RI. Da, upama lobaurang Sunda nu jadi wawakil raha -yat di puseur nagara, bakal jadicukang lantaran lobana pamingpinSunda dina rupa-rupa widang. Kulantaran kitu, AGK ngupayakeunpisan sangkan gerakan milihpaming pin Sunda walatra di sabantempat.

Luyu jeung kamampuhan ogékasang tukang atikanana, AGK

7Manglé 2469

Silaturahmi jeung masarakat Kab. Bandung, & Kab. Bandung Barat

mancén tugas di Komisi I, nungawengku politik luar negeri, per-tahanan, militer, intelejen, jeungpenyiaran. Nilik kana pancéngawéna kawas kitu, hartina AGK tehjadi ‘jagabaya’ nu ngariksa kadaula-tan nagara.

Dina miara kaamanan nagara,AGK gé kudu mastikeun, nagriurang kuat sagala rupana. Atuh,anggaran nagara keur meuliansenjata ogé alat-alat pertahananséjénna, taya lian ti keur ngariksanagara, sangkan aman tina sagalarupa pangrobéda deungeun.

Tumali jeung kaamanan di jeronagara, kitu deui, AGK gé engeuhkacida kana kaamanan masarakatsakumna téh. Di Komisi I, Agus,dipercaya jadi Ketua Panitia Kerja(Panja) RUU Intelejen. Eta undang-undang téh penting pisan keurkaama nan jeung kalanggengan na-gara mah. Pihak intelejen, ceukAgus, sawadina mampuh‘nganyahoan keun’ sagala rupa nubisa jadi gangguan kana kaamanannagara. Mun éta kaamanan tumalijeung terorisme, saterusna bagianDensus 88 nu ngungkulanana.

Dina pilihan umum keur mangsabakti 2004-2009, Agus ‘istirahat’heula. Inyana leuwih museurkeunpipikiranana nataharkeun jeungmekelan dirina ku rupa-rupa élmu,saperti kuliah S-2 di AdministrasiPublik Fisip Universitas Pasundan(Unpas). Atuh, adu-manis élmu tiluar nagri jeung élmu pamarénta-han di urang téh, keur Agus mah,jadi bekel makalanganana dinawaku-waktu saterusna. Atuh, basapilihan umum keur mangsa bakti2009-2014 AGK tarung deui diDapil Jabar II. Pancenna nya sapertinu tiheula wé, di Komisi I kénéh.

Dina tengah-tengah kari-weuhanana, karepna tolab élmumah teu kungsi sirna. AGK gésaterusna, keur kuliah di S-3 FisipUniversitas Padjadajaran (Unpad).

Sabada makalangan lir heulangnu kakalayangan di awang-awang,

Agus Gumiwang Kartasasmita, teupoho ka pamiangan. Tatar Sundalembur karuhun, jadi kaagulan.Matak, waktu parteyna nugaskeundeui jadi wawakil rahayat, AGK gémilih Dapil Jabar II deui baé. Keurdirina, najan aber-aberan ka mana-mana, mancén gawé di puseur na-gara, nyuprih élmu di nagriduengeun, tetep pakarepanana mahkeur kamaslahatan balaréa,kapentingan bangsa jeung nagara.

Ngajurung Ludeung

Ketak Agus makalangan ditingkat nasional, malah ngaman-canagara, jadi tuturus nonomansapandeurieunana. Kaludeung, ka-mampuhan, jeung kawaninamakalangan di peuseur nagara, keurdulur sasélérna gé, jadi kareueus.AGK lir tuturus nu nuduhkeun yenku karep jeung kahayang, bari jeungpatékadanana keur kamaslahatanbalaréa, tinangtu baris laksanapakarepan. Angen-angen Agus dinangamajukeun nagara, kasaksén kubalaréa!

Di tengah-tengah sora hariwang,kurangna urang Sunda nu bogakarep ancrub kan dunya pulitik,nilik kana karep AGK mah, bisakaubaran. Makalanganana dipuseur nagara, jadi Anggota DPRRI, salah sahiji bukti kamampuhanurang Sunda di tingkat nasional.Ngan, pasipatanana jeungkabasajan ana mah angger, sapertipasipatan urang lembur umumnaAgus nu keur leutik biasa ulin jeungapal kana kasti, apal kana galahasin, pasipatanana gé resep gauljeung rupa-rupa golongan jalma.Atuh karesepna nepi ka ayeuna,éstu basajan, resep gapléh, sapertikaulinan ‘kolot-kolot’ di palembu-ran bari ngawangkong ngeusiawaktu luang.

Jadi wawakil rahayat, AGKsatékah polah ngarasakeun kereteghaté masarakat. Datangna kamasarakat gé lain ukur waktuna

reses, tapi biasa saban inyana bogawaktu luang. “Mung kumargi amba-han dapil teh lega, tangtos wé teusadayana kauber,” pokna.

Mun ngadéngé di dapilna ayapasualan nu perelu ku bantuan,AGK gé jeung sabalad-balad gémoal burung ngurunyung. Atuh,mun teu bisa langsung datang, bisawaé ngajurungan nu séjén. Nu pen -ting mah, natratkeun kadeudeuh kamasarakat nu nitipkeun aspirasi kadirina.

Ku cara kitu, ka mana waé AGKnyaba, teu weléh meunangpangabagéa ti balaréa. Ieu wawakilrahayat téh teu weléh pada ngahiap-hiap, lantaran datangna kamasarakat téh lain ukur dina waktu -na kompanye wungkul.

Dina milih pamingpin,masarakat gé geus palinter. Apalkana jengléngan pamingpin nu di-angen-angen ku urang Jawa Barat.Da, masarakat tatar Sunda mah,mun milih ogé boga ukuran anujinek, saperti nyantri, nyakola,nyunda jeung nyantika.

Pangbagéa masarakat ka AGKwalatra di saban tempat. Hasilsurvey Social Weather Indonesia(SWI), sawatara waktu ka tukang,ngeunaan caleg nu kira-kira bakalkapilih, nempatkeun Agus Guwi-wang, incumbent nu masih kénéhmeunang kapercayaan timasarakt dina pilihan umum2014. Hartina, ceuk ‘responden’Agus Gumiwang Kartasasmitamerenah kénéh jadi wawakil ra-hayat keur mangsa bakti 2014-2019.

Keur AGK, pangabgéa timasarakat, jadi ‘tangtangan’. Da,cenah, karepna jadi wawakil rahatgé, taya lian ti jadi hayang jadipanumbu catur angen-angenmasarakat nu ditepikeun ka pihakpamaréntah. “Wawakil rahayatkedah mampuh jadi cukang lan-taran karaharjaan masarakatna,”pokna pinuh ku pangharepan.

***

Manglé 24698

PProfil

9Manglé 2469

Sababaraha taun ka tukang, ayasababaraha seniman anungawanohkeun deui alat musik

karinding ka masarakat. Sorana nuhas ngalantarankeun réa anu kataji

ku éta alat musik tina awi anu basa-jan. Grup musik karindingtingpecenghul di ditu di dieu. Malahdi Kabupatén Bandung kungsi di -gelar pintonan karinding pikeun di-

catet dina rékor MURI.“Demam” karinding lain saukur

ngalantarankeun réa urang Sunda—ti budak satepak nepi ka jalmadéwasa—nu diajar nyadakeunkarinding, tapi ogé réa deuih anunyieunan éta alat musik nu cenah ba-heula mah sok dipaké nyieuhkeunhama di kebon atawa disawah/huma. Salasaurang pangrajinnu nyieunan karinding nyaéta AsepSomantri, warga Kampung Pintu LojiDésa Banjaran, Kacamatan Ban-jaran, Kabupatén Bandung. Ceukkaterangan ti Asep, kiwari pamorkarinding geus mimiti turun. Éta haldumasar kana kanyataan yén kiwarigeus jarang jalma anu meuli karin -ding ka manéhna. Grup musikkarinding anu dikokolakeun kumanéhna ogé geus tara latihan jeungmanggung deui.

“Tos aya kana lima sasihna jarangaya nu mésé karinding kadieu. Pada-hal setok karinding di abdi masih

kénéh seueur,” pokna, waktuditepungan ku Manglé ka padumu -kan ana, sababaraha waktu nu kali-wat.

Asep ogé nétélakeun, waktu keurramé-raména karinding rata-ratadina sapoé manéhna bisa ngajuallima karinding. Nu meulina réréanabarudak sakola. Malah Asep gé sokdititah ngajar di sakola nu hayangngayakeun ékstrakurikulér karindingjeung celempungan. Biasanamanéhna ngajar di éta sakola saliladua bulan.

“Rupina ayeuna mah tos barose -neun kana karinding téh. Batur-batur abdi nu biasa ngagugulungkarinding sareng celempung, ayeunatos ngaralih kana kagiatan sanés,”ceuk Asep, rumahuh.

Sok sanajan batur-baturna geustara “nyagap” karinding, Asep mahmasih kénéh satia ngamumulékarinding jeung alat musik Sundabuhun lianna nu dijieun tina awi

Manglé 246910

IImplik-implik

Pamor Karinding Geus Mimiti Turun

Karinding, alat musik nu basajan tur sorana has (nét)

Karinding leuwih alus dipaénkeun ku leuwih ti tilu urang (nét)

11Manglé 2469

saperti celempung, awi kendang, awigoong, jeung sajabana.

Asep diajar nyieun karindingjeung alat musik lianna nu dijieuntina awi sacara otodidak. Mimiti di -ajar kira-kira dua taun anu kaliwat.Husus karinding, diajar nyieunnaméakkeun waktu sabulan sarta diajarnyadakeunana ogé sabulan. Mi-nangka répérénsina, manéhna rajinmukaan internét nu midangkeuninpor masi ngeunaan karinding. Lianti kitu, manéhna ogé nyieun grupmusik karinding nu dingarananJagat Awi. Grup musik Jagat Awiremen manggung di wilayah Ban-jaran, malah kungsi ogé maén di UINBandung.

“Ngawitan mah abdi ngadamelankarinding kanggo dianggo ku nyalira,tapi ku margi seueur nu hoyongeunteras wé ngadamelan seueur,” poknadeui.

Asep ancrub kana dunya senikarinding jeung alat musik awilianna éstu didadasaran ku niat nga-mumulé seni titinggal karuhun anuluhung ajénna, sok sanajan manéhnahenteu boga kasang tukang pen-didikan seni anu formal. Asep mahukur lulusan STM (sekolah TekhnikMenengah) sarta kiwari digawé diPLN (Perusahaan Listrik Negara)Banjaran.

Minangka pangrajin jeung seni-man karinding, Asep mihareppamor karinding bisa naék deui.Sarta aktipi tas nyieunan jeung maénkarinding di lemburna bisa hirup

deui. Karinding nu dijieun ku Asepdijual kalawan harga rata-rata duapuluh lima rébu rupia. Nu meulikarinding ka Asep ogé bisa pesenkarinding dumasar kana karaktersora na, lantaran karinding mahasup kana alat musik nu teu bogalaras.

Nyimpen karinding, ceuk Asep,hadéna mah ulah sagawah. Karin -ding kudu diwadahan atawa makékésing, lamun diteundeun atawaditembrakeun di mana baé karindingbisa miis tur sorana jadi kurang alus.Sangkan sorana leuwih alus, karin -ding bisa dibalur ku minyakmuncang. Ku lantaran teu ngalaras,

maén karinding alusna tilu urangatawa leuwih. Karinding ogé bisadiadumaniskeun jeung alat musikséjén, boh alat musik tradisional bohalat musik modéren.

“Kiwari abdi ukur ngical karin -ding di bumi, tapi upami ayadistribu tor atanapi grosir nu butuhkarinding seueur tur pangaosna ka-hartos, sim kuring sanggem mro-duksi karinding sacara masal. Abditangtos bakal ngajak rerencangankanggo ancrub deui kana ngadame-lan karinding, margi seueur kénéhréréncangan anu ngaligeuh teugaduh damel,” Asep ngémbo-han.***dédé

Budak sakola réa anu diajar maén karinding (nét)

Karinding biasa diadumaniskeun jeung celempung (nét)

Manglé 246912

NNyusur Galur

Situs titinggal sajarah di daérah Batutulis ieu téhperenahna di sisi jalan Batutulis hareupeun kara-ton “Hing Puri Bima Sakti” kantor Presidén RI anu

munggaran Ir. Sukarno anu leuwih mashur disebat BungKarno. Kaéréh ka Kelurahan Batutulis Kacamatan KotaBogor Kidul Kacamatan Bogor.

Kulantaran perenahna sisi jalan aspal nu nepungkeunkota Bogor jeung setatsion karéta api Batutulis jeungdaérah Cipaku terus ka Rancamaya anu kaayaan lalu -lintasna padet pisan, jadi situs Batutulis gampangkadongkangna. Jalan Batutulis nyambung jeung jalanaspal anu tepung jeung jalan raya Bogor-Sukabumi diTeluk Pinang kiduleun Ciawi.

Ari legana éta situs nurutkeun kaayaan taun 1981 22X 1650 méter pasagi , wincikanana 14.50 X 16.50 m2,situs gigireunana ukuran 7.50 X 16.50 m2.

Nurutkeun hasil pangukuran taun 1975 nu di-lakukeun ku Departemen Pendidikan dan KebudayaanKodya Bogor lega situs sagemblengna 23X 17 M2,wincikan ana Situs inti 15 X 17 M2 , Situs gigireunana 8 X17 m2. Parobahana kajadian sabada jalan Batutulisdilega an jeung bada ngagésérna wates, basa situs dipugarku Dinas Pariwisata. Situs gigir anu perenahna di bagiankidul dipaké wawangunan permanén tapi basajan. Lahandi bagian anu aya wawangunan imah ieu dijual ku salah-saurang kulawarga kuncén situs.

Bari kuncénna sorangan ogé henteu nyahoeun. Numeulina téh anu boga imah téa

Perwira pulisi anu imahna mémang ngaréndéngjeung situs inti beulah wétan. Kusaba pancénna di IrianJaya susah ditepunganana.

Pager jeung CungkupPager situs inti tepika kiwri diwangun ku pager beusi

sisi kulonna, ngaréndéng jeung jalan Batutulis, di sisikalér jeung wétan pager témbok. Pager beusi jeung tem-bok ieu diwangun ku Dinas Pariwisata. Wates beulahkidul mah témbok imah téa.

Saméméh dipugar, sisi kulonna pager kawat. Pagerawi, sisi kalér jeung wétan , dilapis ku tangkal pakujaja.Tatangkalan anu ayeuna aya, tatangkalan anyar sagigi -reun jambu aér.

Ari cungkup, nu ayeuna aya saenyana cukup heubeulmeunang ngarombak, ngan digndingna diluhuran, ayeu -na mah maké jandéla-jandéla kaca. Baheula mahcungkup téh aya tepasan. Lanténa téhel beureum ukuran30X30 sentiméter. Tepasna ukuran 5,50 X 4 m2, hateup -na kenténg , bilikna kai. Tapi ayeuna mah tepasna geusdipiceun, terasna digeder béh kulon dilempengkeunjeung panto paranti asup.

Pamugaran sabenerna dumasar kana konséppemuga ran anu disusun ku Kantor Departemen Pendi -dikan dan Kebudayaan Kotamadya Bogor (1975) anumangsa harita geus disaluyuan ku kepala Direktorat Saja -rah dan Purbakala. Tapi dina palaksanaana konsép mahditinggalkeun, iwal ti dipindahkeunna panto asup anutadina ditungtung kidul sisi kulon, kitu gé henteu diteun-deun dina posisi anu samistina.

Cungkup heubeul ukuran 4,50 X 4 m2. Da tilu sisina,kulon kalér jeung wétan maké salasar, sarupaning kori-dor atawa gang rubakna 60 sentimeter, di sisi kulonjeung wétan, 80 cm di sisi kalér, di sisi kidul wangunancungkup nyambung jeung tepas. Ukuran heubeul ieu téhkudu diperhatikeun sabab masih ngadeukeutan anuaslina.

Barang TitinggalnaGambar 1.Dilukiskeun dénah posisi batu-batu paninggalan

nurut keun kaayaan ayeuna. Batu-batu anu ditandaan (E)batu pindahan tina posisi séjénna.

Batu (C) pindahan tina pétak A, batu F 3a jeung F3bpindahan tina pétak III keur nahan cai hujan. Batu tanda+ (C1b) batu anyar nu muncul lantaran teras anu tadinanutupan dibongkar. Waktu pamugaran batu-batu anutadina pabalatak nyebar ka mana-mana sabudeureuncungkup, diurugan dina pétak B 2/3 jeung sabagian di-tambahkeun ka

Gambar 2; dilukiskeun dadampar batu titinggal diti -ngal ti luhur, mun ditingal ti gigir bisa ditingal gambar.Di antara sakabéh titinggal ngan hiji batu (D 6a) nu eusi -na ngan tulisan 9 baris maké aksara jeung basa Sudakuno. Batu prasasti ieu téh aya di jero cungup jeung batuséjénna.

Prasasti Batutulis BogorSaperti Nu Dipedar ku Saléh Danasasmita

13Manglé 2469

Balukar ayana cungkup nu nutup ieu, kesatuan ideuanu kajadian dina posisi batu-batu jadi pecah-pecah.Sacara teu dihaja disababkeun ku tujuan panalitian anubeurat sabeulah kana batu prasasti. Para panalitimopoho keun malah teu paduli kana batu séjénna. NganRouffaer, terus Ten Dam jeung Amir Sutaarga anu nga-balitungkeun batu-batu séjénna sagigireun prasasti. Kitugé ngan kana batu lingga anu ngajentul gigireun prasasti.

Tanpa prasasti jeung dua batu anu diukir hareupeunpasasti, éta situs moal béda ti situs-situs megaltikséjénna. Ngan pedah lokasina baheula di kota puseur pa-maréntahan, situs saolah-olah mangrupa pamadetan tirupa-rupa kombinasi.

Di jerona kapanggih, upamana baé;- “Stone avenue’’ nu diwangun ku lima menhir.- Menhir tunggal nu buleud.- Disolit (kombinasi menhir jeung batu datar atawa

batu pondok.- Méja batu berundak.- Petak berbatu jeung dua menhir.- Pétak pasagi opat anu dijangkungan.- Bisa jadi kasumputkeun oge kombinasi “teralit”

Éta kabéh luput tina pehatian dina panalitian-panali -tian saméméhna sabab para panaliti ti mimiti Friederich(1853) tepika Noorduyn (1959) ngan ngabalitungkeunaspék sajarah liwat batu prasasti. Dina hal ieu ogé, duabatu nu diukir nu aya hareupeun batu prasasti teu pere-nah disigeung ma’na jeung gunana.

Hasil panaltian panungtung nuduhkeun yén batu-batu titinggal sajarah dina situs ieu paling saeutik sapertiasalna ti dua periodeu anu misah. Batu pasasti jeung tilubatu cépér anu dua diantarana maké ukiran nu ayahareupeun ana, diperenahkeun di dinya dina waktu béhdieu. “plus” jeung “minus” kolompok batu prasasti kududibalitungkeun lamun kana analisa situs ieu arék diasup-keun skala waktu.

Batu CongkrangPerenahna di sisi jalan Batutulis deukeut simpang

jalan Balé kambang kaléreun Batutulis. Dina tulisanPleyte (1911) eta batu ku penduduk masih disebut Kara-mat Embah Cakra atawa Karamat Prabu Guntur Agung.Éta batu perenahna hareupeun imah penduduk, dipagerku batu pikeun wates.

Éta batu pager saenyana titinggal jaman baheula.

PurwakalihÉta situs perenahna di simpang jalan Batutulis-

Lawang Gintung kiduleun situs Batutulis. Titinggal sa-jarah nu aya dina situs diwangun ku hiji ménhir pondok,jeung tilu patung tipeu polinésia. Nu gedé mah euweuhsirahan. Ieu patung ku warga disebut Embah Purwakalih.

Da patung séjénna leuwih leutik disebut Embah GelapNyawang jeung Embah Kidang Pananjung.

Éta tilu bokoh téh dina naskah Babad Pajajaran di -sebut panakawan Prabu Siliwangi, pangasuhna GuruGantangan, disebut-sebut ogé dina Carita Mundinglayadi Kusumah.

Dina naskah Pustaka Raja-raja Pajajaran di BhumiNusantara nu disebut tokoh Purwakalih téh purohita(pandita karaton) dina jaman pamaréntahan Sri BadugaMaharaja. Taun 1911 Pleyte masih nyatet ngaran PurwaGalih, ayeuna penduduk nyebutna Purwakalih. Barang-barang nu aya dina ieu situs disimpen dina cungkupbasajan pisan anu geus kudu diganti.

Disolit di Gang AmilMimitina mah éta situs ayana di tempat anu nembrak,

nyelap diantara imah-imah penduduk, ayeuna mah geusaya di papiliun imah salah saurah penduduk anu sakali-gus ngarawat eta situs tulatén pisan. Ieu disolit diwangunku menhir pasagi lima alami jeung hiji batu cépérgigireun ana.

Gang Amil sabenerna mangrupa titinggal sajarahsabab nuruteun laporan Winkler taun 1600 disebutkeunyén manéhna manggihan hiji jalan anu dikuatan ku batukacida bérésna, brasna téh ka Paseban heubeul. Gigireungang atawa jalan, Winkler ogé manggihan batu badag nudibentuk hadé. Anggota pasukan Winkler nyebuteun yénéta tempat téh urut tempat penjagaan jalan Pajajaran.Upama prajurit geus ngarasa capé, bakal diuk dina batuanu memang geus disadiakeun keur tempat ngaso. Haléta nuduheun yén batu anu dilaporkeun ku Winkler digang Amil téh disolit di Gang Amil, lian ti kitu diécéskeunyén Gang Amil baheulana tempat anu ngahubungkeunkaraton jeung situs Batutulis. Waktu Winkler nikreuhleumpang di jalan ieu, ahirna cunduk ka urut pasébankolot, di dieu manggihan tujuh runggunuk tangkalcaringin. **HRS/Hanca**

NgalereskeunDina MANGLE No. 2468 kaca 12 aya kalepatan anukedah dilereskeun.

1. Dina Judul seratan diserat jenengan R.H.LilySuantri Kedahna R.H. LILY SUMANTRI

2. Dina seratan diseratna DIANTI ku Sani LupiasAbdurachman

Kedahna DIGANTI ku Sani Lupas Abdurachman.

Ku jalan kitu kalepatan parantos dileresken, hapun-ten kanu kagungan jenengan.

(Rumpaka)

Manglé 246914

MMunara Cahaya

Danget ieu mindeng kajadianrajapati. Nu maéhan jeungdipaéhan. Malah réa nu

“anéh”. Kawas indung maéhananakna dilelepkeun kana toren.Anak jeung minantu maéhan in-dung bapa katut mitoha. Budak ru-maja maéhan urut kabogohna.Jeung réa-réa deui nu matakmuring kak bulu punduk sing sahanu apal kana dosa. Nu boga rasakamanusaan.

Padahal Alloh SWT nyiptakeunmanusa dina wangun pisik hadé(Q.s.at Tin : 4).

Nu hartosna: saéstuna Kamigeus nyiptakeun manusa dinawujud nu panghadéna.

Kitu deui dilengkepan panca -indra nu nyusun rapih, pancénkatut kagunaanana merenah(Q.s.al Infithar : 7-8).

Diwuwuhan deui ku komponén-komponén sejen, sangkan harkatmartabatna istiméwa, nu ku Kang-jeng Nabi Muhammad RosulullohSaw, disebut “jawahir” (mutiara).Nyaéta akal, ad dien (agama), rasaéra jeung amal soléh.

Sakabéhna, ngajadikeun

manusa mahluk unggul lahir batin.Jauh ngungkulan mahluk-mahlukséjén, nu ngan dipulas lahiriahnawungkul, teu dibéré kalengkepanbatiniah. Nepi ka manusa, nu ukurmangrupa kekebul dina amparanjagat raya alam goromyangan,nyengceling nyengcelak. Ngaluhu-ran gugusan-gugusan jutaangalaksi, lantaran sakabéh runtuyanjiwa ragana, pasrah sumérahwungkul ka Alloh SWT. “Dainun-nah lillahi wahdah”. Teu weléhsyukur kana sagala ni’mat anugrahAlloh SWT, lantaran kurniaAnjeun na, ngaleuwihan sagalausaha manusa. Jumlah ni’mat nukatampa ku manusa, moal kawi -lang (Q.s. Ibrahim : 34).

Tapi lantaran réa manusanampik atawa ngabohongkeunkana éta kurnia ni’mat, Alloh SWTnepi ka 30 (tiga puluh) kali, tuma -ros, naha manusa bet ngabohong -keun ni’mat-ni’matNa (Q.s. arRahman)

Nya kajadian, réa manusamiyuni sato héwan. Modal awalrupaning awak nu lengkep gem-bleng, sampurna titungtung buuknepi dampal suku, ditambah “opatmutiara” nu ngagerakkeun jiwa,sakuduna ngajurung kana lahirna

sikep sukur nikmat.Tapi dina kanyataan, réa nu

nyaliwang. Dedegan sampé rupahadé, kadang kala digunakeunpikeun perkara ma’siat. Mutiarajiwa henteu digunakeun pikeunkahadé an. Malah dipaké ngalajurhawa napsu. Akal dileungitkeun,nepi ka ucapan, katut kalakuan, teuwaras teu logis. Pituduh agama di-apilainkeun. Agama dijieun kedok,bahan kaulinan jeung ka-heureuyan. Atawa dipaké taméngdina milampah pagawéan nupatukangtonggong jeung ajén ina-jén agama. Rasa éra dialungkeunjauh. Nepi ka teu asa-asa nyorangsagala rupa perkara nu papaling-pang jeungkasucian kudrat-manusa.

Lantaran padoman akal, pi-tuduh agama, sarta kaéra geusdisingkir keun, hasilna lain amalsoléh deui. Tapi sagala rupa kaja-hatan, kamungkaran, katutkagoréngan séjénna, nu teu pantesdipilampa ku jalma boga akal,ngigama, jeung boga kaéra.

Mun geus kitu, manusa geus teusukur nimat deui. Manusa geusnyo rang kufur nikmat. Nya daékteu daék, ancaman Alloh SWTmimiti tumiba. Salila manusasukur kana sagala ni’mat Alloh, étan’kmat baris diundakkeun.Sabalik na, lamun kufur ni’matbaris meunang azab Alloh nupeurih kacida (Q.s.Ibrahim : 7).

Rajapati Mahabu Kabina-bina

Ku H.Usép Romi HM

15Manglé 2469

Dawuhan Rosululloh Saw, dinahiji hadis riwayat Imam Thabrani,parobahan tina sukur n’kmat kanakufur ni’mat, mangrupa panyakitnu bakal karandapan ku sakabéhumat (ad Daul Umam). Panyakitnu ngaruntuy. Sabab tina kufurni’mat bakal muncul kalakuansangeunahna (al bathor). Ningkatkana kalangenan numpuk-numpukharta bari teu miduli ti mana jeungkumaha cara meunangkeun étaharta (at takatsur). Disusul kusaéngan teu séhat, papada mawakarep sorangan (at tanafus). Tim-bul wé sili pikaceuceub, silidengkéksili pangkék, marebutkeun kauntu -ngan pribadi séwang-séwangan (attabaghud). Dicampur ku sili fit-nah, sili dengki, sili intip silikakalakeun (at tahasud). Dolim,nganyerikeun jalma séjén, geus teutumarumpang deui (al baghyu).Puncakna,kajahatan sili ala nyawa,sili paténi (al khoroj).

Ngaleungitkeun nyawa sasamamanusa, geus dianggap pagaweanénténg. Rasa watir, sieun jeungdosa, geus teu mempan. Maéhan,sili paéhan, pikeun kasugemaan,ngalubarkeun amarah, geus teubisa dicegah.

Sabab sakabéh komponén akal,agama, rasa éra jeung amal soléh,geus leuwih tiheula dipaténi.

Sakabéhna dimimitian tinailangna sukur nikmat. Ditukeuranku kufur ni’mat. Padahal geustétéla pépéling Alloh SWT, yenjalma nu nukeuran ni’mat kukakufu ran, bakal tigebrus kana ju-rang “Darul Bawar”. Nagri Ka -ancuran (Q.s.Ibrahim : 28).

Lamun seug niténan kajadianrajapati anu mahabu saban waktu,boa urang geus aya di dinya. Tapimugi-mugi wé henteu. Turta urangaya dina panangtayungan AllohSWT, sangkan teu jadi tukangmaéhan jeung jadi korban nu di-

paéhan. Sarta boga kasadaranpikeun gancang mulang kana pi-tuduh Alloh SWT. Tobat tina sagaladosa, sarta meunang kakuatansangkan urang jadi manusiasaéstu na nu boga akal, ngigama,gedé kaéra, katut mampuhngaréaan amal soléh.

Muga-muga urang dijauhkeuntina lampah dosa. Kitu deui muga-muga henteu nganggap énténgkana dosa perdosa nu sihoréngbadag kacida. Malah muga-mugakaasup jalma anu disebut dinaAlquran surat Najm ayat 32, nukitu unina:

Hartosna: “Nyaéta jalma nungajauhan dosa-dosa badag jeungpagawéan keji tina kasalahan-kasalahan leutik. Saéstuna Robbanjeun Maha Lega pangampura -na.”

Ku kituna, dina raraga takwa kaAlloh, diusahakeun satékah polah,ngajauhan dosa perdosa. Urangsasarengan nambahan élmu panga -weruh ngeunaan amal-amal ka-hadéan, boh mangrupa ibadahmahdloh (ritual), boh ibadah ghoirmahdloh (sosial), sangkan urangapal mana pihadéeun, mana pi-dosaeun.

Mung ka Alloh SWT urang nedapangampura tina sagala dosa nukarasa sareng nu teu karasa. Innal-loha ghofurur rohim.***

Hasbunallahu wa ni’mal wakil,ni’mal maula wa ni’mannashir.***

internet

Manglé 246916

TTanyaJawab

Patarosan:Tumaros perkawis hukum ramalan

cuaca numutkeun ajaran Islam.Simkuring ngantos waleranana. Haturnuhun sateuacanna.

Wassalam,M. Yazid Hilmi JiddanNagrog Bandung

Waleran:Sami-sami hatur nuhun kana sagala

rupi perhatosanana. Ngeunaanpedaran hukum ramalan cuaca numut -keun ajaran Islam, biasana sok di-hubungkeun jeung élmu béntang (élmuPerbintangan), sabab dina prak-praka -na, dua élmu éta aya samina, nyaétangaramal kana kajadian anu bakaldatang. Bédana, saupama élmu bén-tang sok digunakeun kana perkara anupatali jeung nasib hiji jalma anu di-dasaran ku nempo béntang.Sedengkeun élmu ramalan cuaca mungsakadar ngaramal cuaca anu jadi cirikana kaayaan hujan jeung angin du-masar kana élmu (sains). Ku hal kitusateuacan ngabahas hukum ramalancuaca numutkeun ajaran Islam, saénakedah dibahas heula masalah élmubéntang.

Élmu béntang mangrupa bagiantina élmu astronomi (astrologi), dinabasa Arab disebut ‘Ilm al-Nujum(Ilmun Nujum). Sacara etimologis,élmu béntang nyaéta élmua nunganyaho keun masalah kajadian-kaja-dian (fenomena) anu aya di langit terusdijadikeun patokan (pituduh) kanabakal ayana kajadian di bumi. Dinaharti lian, sagala kajadiana nu aya dilangit sok dikaitkeun (aya pangaruhna)kana kaayaan di bumi. Contona,saupama di langit aya samagahapanonpoé, mangka kajadian ieu sok di-hartikeun kana bakal ayana kajadianatawa musibah di bumi, saperti ayapamingpin nagara (tokoh) anu tilar

dunya. Conto sanésna, saupama ayabéntang pindah ngagésér ka tempatlian atawa murag ka tempat lian,mangka hal ieu jadi ciri bakal lahir hijijalma anu hebat jeung pinter. Malahaya anu boga kayakinan, saupama ayaanak anu lahir dina waktu peutinganbulan purnama, mangka éta anakengké na bakal jadi jalma beunghar.

Namung saupama numutkeunajaran Islam, sakumaha RasulullohSAW kantos ngadawuh kieu: “AllohSWT nyiptakeun béntang-béntang dilangit pikeun tilu kagunaan, nyaétapikeun hiasan, pikeung maledog syé-tan, jeung pikeun tanda atawa rambu-rambu arah. Sing saha anungagunakeunana pikeun ngaramal,mangka geus geus méngpar jeung geusngahambur-hambur waktuna sartangajadikeun hambatan (beban) pikeundirina sorangan.” (HR. Bukhari).Nurut keun para ulama, wiréh élmubéntang kabagi kana dua bagian: ÉlmuTa-tsir sareng Élmu Taysir. Élmu Ta-tsir nyaéta élmu anu nganyahokeun yénorbit béntang di langit ngabogaanpanga ruh kana kaayaan alam. Élmu ieubiasana disebut Astrologi. SedengkeunÉlmuTaysir nyaéta élmu anunganyaho keun orbit-orbit béntangwungkul.

Élmu béntang “ta-tsir” biasa digu-nakeun pikeun nganyahokeun jeungngayakinkeun yén béntang-béntang dilangit ngabogaan pangaruh kanakahirupan di bumi, malah sok ngarasyakin, bisa mangaruhan kaayaan dibumi. Atawa élmu ieu biasa oge di-jadikeun sabab atawa cukang lantaranpikeun nganyahokeun élmu-élmu goibjeung dijadikeun ciri (simbol) kanabakalna aya kajadian di bumi, bohkajadia na nu sifatna hadé (pikabunga-heun), atawa kajadian anu sifatnagoréng (pikasediheun). Kayakinansaperti kitu numutkeun akidah Islamhukumna musyrik tur haram, sababgeus ngayakinkeun nasib kaayaan dibumi gumantung ka mahluk, henteu

gumantung ka khaliq, tegesna AllohSWT. Sakumaha pidawuh-Na: “Prakbéjakeun ku hidep Muhammad! Hen-teu aya hiji jalma ogé di langit jeung dibumi anu nganyahokeun kana perkaragoib, anging Gusti Alloh.” (QS. al-Naml:65). Pidawuh sanésna: “Béjakeun kuhidep Muhammad! Saestuna GustiAlloh teh hiji (tunggal). Mantena jaditempat gumantung jeung panyalindu -ngan.” (QS. al-Ihlas: 1-2).

Lajeng élmu béntang“taysir” biasadigunakeun: Kahiji, pikeun kamasla-hatan agama, saperti nu nuduhkeunarah kiblat, waktu solat jeung sajabana.Ku hal kitu, nganyahokeun élmu bén-tang saperti ieu, hukumna wajib, sababdigunakeun pikeun nganyahokeunperkara-perkara anu wajib dina agama.Kadua, pikeun kamaslahatan urusanduniawi, saperti pikeun nangtukeunarah angin, arah kutub jeung sabangsa -na. Élmu béntang saperti ieu, numut -keun ajaran Islam hukumna wenang(jaiz), sakumaha pidawuh-Na: “… jeungku lantaran béntang-béntang,maranéhna bisa nangtukeun arah” (QS.al-Nahl: 16).

Margi kitu, aya sababaraha hal anuperyogi diperhatoskeun, di antarana:Kahiji, kudu diyakinkeun yén perkiraancuaca éta gumantung kana kersaningAlloh, sabab loba perkiraan cuaca disababaraha nagara atawa kota anunyulaya an tina perkiraan; Kadua,perkiraan cuaca anu saperti kitu henteukaasup élmu goib, sabab dasarnanyaéta panalungtikan anu sifatnailmiah. Hasil panalungtikan kadangbisa salah, kadang bisa bener. Ku haléta, mangka henteu meunang di-jadikeun kapastian, boh pikeun ka anungainformasikeuna atawa pikeun kaanu narimana. Sok sanaos kitu, ayanaramalan cuaca ieu tiasa dicandakhikmahna, nyaéta pikeun ngajaga-jaga,utamina pikeun kaperluan manusadina widang tatanén, nelayan, kandara -an (transportasi) jeung sajaba na.***Wallohu ‘alam.

Ramalan Cuaca

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Manglé 246918

CCarita Pondok

Saminggu deui siTétéh nikah.Rencana mahacara pernika-hanana téh moalméwah-méwah,

cukup ku akad nikah, résépsi.Tempatna di lapang badmin -ton RT. Nu ngariasna MamahOmi, babaturan senam siIbu. Nu masakna ogé rék kusi Uwa jeung dulur-dulurwungkul. Sedengkeun kuringdipercaya jadi tukang moto.Saréréa geus apaleun yénhobi kuring téh popotoan.

Hanjakal kaméra kuring keurrusak. Can sempet dibawa kajalan Morse.

“Kapaksa kudu unjam-in-jeum ka barudak kieu caranamah,“ gerentes téh.

Ti sababaraha balad nudihubungi, Roni nu pang heu -lana siap méré nginjeum. Fixkuring jadi juru dokuméntasidina acara nikahan si Tétéhkalayan maké kaméra meu-nang nginjeum ti Roni.

***Dina poéan pernikahan si

Tétéh, kabéh geus siap dina

cekel gawéna masing-masing.Nu teu kabagian barang gawégeus ginding ku dangdanan -ana siga nu rék lomba adugeulis. Kitu deui kuring, geussiap jeung sakabéh senjata nudiperlukeun; kaméra, lénsa,tripod, flash, trigger, kabéhsiap. Tinggal ngécéng targét,jeprét.

Akad nikah lumangsungdi masjid Al-Mubarok, masjidantara imah jeung lapangBadminton nu dipaké hajat.Bubuka, ceramah, jeungmaca Qur’an dipercayakeun

ka Pa Isak, Ustad di lemburkuring. MC dipercayakeun kaBu RT. Si Ibu, indung kuring,kabagian hubungan jeungpihak-pihak séjén. Nu kaban-dungan mah si Ibu keurbadami jeung pa Naib.Mamah Omi, tukang rias téa,salian ti mangriaskeun siTétéh téh ngabonusan kungondisikeun upacara adatnasagala. Basajan pisan. Tapigedé maknana.

Ti mimiti panganténlalaki turun tina mobil pa -ngantén. Kuring mimiti nga-jeprétkeun kaméra. Sagalaanu dianggap penting, di-dokumentasikeun. Momen-momen nu matak narikmimiti ditéangan. Dipotoan.Dina acara akad nikah, timimiti bubuka nepi ka pan-gantén bérés nanda tangansurat nikah, kabéh dipoto.Surat nikah pangantén gé teukaliwat, dibukakeun kaca te -ngahna, dipoto jeung pangan-ténna.

Kitu deui, basa panganténgeus aya di pelaminan, kabéhdidokuméntasikeun. Keluar -ga besar dipoto bareng jeungpangantén. Sobat-sobat sa -kola. Babaturana gawéna.Ngajalajar di kénca-katuhu -eun pangantén silihgentidipotoan.

Hasil jeprétan kuring géteu nguciwakeun. Loba numuji.

***Bérés acara pernikahan si

Tétéh, tinggal capé jeungbungahna. Keluarga besarngarariung kénéh di imah.Nini, sibuk ngabagi menuparasman nu nyésa. Nepi kajam dalapan peuting ayakénéh tamu nu datang, nu teubisa datang ti beurang. Nininu geus pangalamannikahkeun anak-anakna, geusboga sawangan kana hal ieu,nu datang peuting baliknadibahanan idangan atahan.

Kuring masih sempet

RECOVERYCarpon Andi Gita Lesmana

19Manglé 2469

ngadokuméntasikeun.***H +1, kuring hudang,

bérés ti cai langsung solat.Bérés solat langsung kadapur. Ninyuh kopi.

“Di, mana poto-poto nukamari téh?” ceuk si Ibu.

“Aya dina kaméra kénéh,teu acan dialihkeun kana lap-top,” témbal kuring.

“Sok atuh geura pindah -keun, Ibu hayang ningalipoto-potona!”

Kuring ka kamar deui,tuluy ngahurungkeun laptop.Cikopi mah diteundeun gi-gireun laptop, can waka di-inum, panas kénéh. Baringadagoan laptop siap di-paké, kuring ngahurungkeundeui kaméra, mukaan poto-poto kamari. Loba geninghasil jeprétan kamari téh.

Kurah-koréh néangankabel data dina tas kaméra.Kabel data kapanggih,kaméra langsung disam-bungkeun kana laptop. Di-tungguan sababaraha detik,sapuluh detik, ditungguankénéh, samenit, nepi karasalila, kaméra téh can kabacawaé ku laptop. Padahalmasalah culak-colok kamérakana laptop téh lain kakara.

“Alah siah, ieu kunaon?”kuring kaburu tegang. Kuringlangsung gap kana hapé,nelpon Roni. Ngadadagoannepi ka sababaraha kali soratut-tutan dina speaker hapé.

“Ron, naha kaméra teukonék kana laptop urangnya?”

“Ah, maenya?” ceuk soraRoni dina telepon.

“Asli, ieu urang rék min-dahkeun poto-poto nu ka-mari, ngan teu kabaca,”kuring ngajelaskeun.

“Cobaan wé laan MMC-na, maké card reader, kékamérana mah ku urang di-pariksa heula. Urang gé per-nah ngalaman jiga kitu da,”ceuk Roni deui.

“Oh, heueuh atuh. Kéatuh urang cobaan heula.Nuhun bray,” ceuk kuring.

“Okéy!” ceuk Roni.“Ditutup heula wé atuh

nya.”“Okéy.”MMC dilaan tina kaméra,

tuluy dicolokkeun maké cardreader. Alhamdulilah, MMC-na wungkul mah kabaca.Ngan barang dibuka, datanakosong. Astagfirulloh. Dibukafolder option, sugan kahid-den, da sidik henteu. Awakmimiti késangan, mimititegang. Bingung antara sieunkaméra si Roni rusak jeungsieun poto-poto nikahan siTétéh laleungitan: mangka -ning dokuméntasi hiji-hijina.Bakat ku bingung, kalah kanangkarak bengkang kuringtéh. Ngoréjat-ngoréjat sabadakopi kadupak ku suku. Kopinu can kainum téh ngabaya -bah mubajir.

“Aduh untung teu kanalaptop siah!” ceuk kuringkana kopi bahé. Teu lila kopinu ngabayabah téh dielap kuelap pél. Kuring nyolokeunmodem, muka Google, susug-anan manggih solusi keurmasalah MMC nu teu kabaca.Aya artikel ngeunaan recov-ery file tina storage nu teukabaca. Ngan kudu makésababaraha aplikasi tamba-han. Heueuh baé. Kuringngadownload aplikasi nudibutuhkeun.

Nepi ka kabéh nu dibu-tuhkeun keur ngarecovery téhsiap, MMC dicolokkeun deui.Lila gening ngarecovery téh.Lain dagoan-dagoaneun baringahuleng. Kuring turun deuika dapur. Néangan kopi deui.

“Wayah kieu geus rék duakali ngopi?” ceuk si Ibu kagét.

“Nu tadi bahé Bu,” ceukkuring.

“Kumaha poto téh?” siIbu nanya deui, bakating kupanasaran jigana mah.

“Itu keur dipindahkeun,”ceuk kuring tandes, horéamngajelaskeun panjang lébar.

Lila-lila mah ngarecoverytéh bérés. Bareng muka folderrecovery-na, eusi MMC téhlain ngan poto nikahan siTétéh hungkul, tapi aya datapribadi si Roni: poto si Ronijeung kabogohna. MasaAlloh,kuring teu nyangka, teu téga

ningali poto-potona. Teuingaya sabaraha puluh, atawaboa aya leuwih kana saratuspoto mah. Potona kabéh dikosan si Roni. Astagfirulloh.

Poto nikahan si Tétéh nujumlahna teu nepi kanasatengah eusi MMC buru-buru dipisahkeun. Dipin-dahkeun kana folder anyar.Bari ngadagoan bérés min-dahkeun file kana folder dinalaptop, pikiran kuring nga -layang ka awéwé anu aya dinapoto tadi, kabogohna Roni,Déwi. Pribadi anu pikare-sepeun, pinter jeung geulis.Katambah-tambah lamun pa-pakéan téh sok mantes waé.Kuring jeung barudak nu soknangkring gé pada muji kamanéhna téh. Rék sahajelema anu teu resep kamanéhna. Taya cawadeun.Basana, paripolahna, éstu -ning awéwé harepan pisan.

Antara kuring jeungmanéhna téh mémang kungsideukeut. Sababaraha bulanka tukang. Mémang, di satu -kangeun Roni. Tada teuingruksakna hubungan hadékuring jeung Roni upamamanéhna nyahoeun yén ku -ring kungsi maling-malingwaktu panggih jeung kabo-gohna. Ari kuring jeung Déwimah apal alesan deukeutnaurang téh semet mana. Ales -an panggihna naon. Nganlamun batur nu nafsirkeun,bisa jadi rupa-rupa tafsiran.Sakali waktu mah panggihnagé lain rék nanaon, harita téhkuring nyumponan paméntaDéwi. Manéhna hayangcurhat. Curhat ngeunaanmasalah antara manéhnajeung Roni.

“Di, lamun Déwi gaduhpikiran kanggo putus ti Ronikumaha?” ceuk Déwi dina hijisoré di taman nu sepi.Manéhna ningali ka kolam,tapi sorot panonna kosong.Teuing keur ngalayang dimana pikiranna.

“Lebar atuh Wi,” ceukkuring.

“Naha lebar?” ceukmanéhna, sorot panonnamasih kosong. Malah dina so-

rana gé teu kadéngé nadananya.

“Nya asa lebar wéh,hubungan nu geus sakitulilana, geus sakitu seriusna,ujug-ujug putus.”

“Teu ujug-ujug ogé sihDi... kantos diemutan kuDewi gé.”

“Ulah ah, lebar,” ceukkuring. Kuring mikir lebar téhda ningali Roni jeung Déwigeus layeut pisan. Lamunujug-ujug putus, pasti per-masalahanna bakal robah jadihanjakal.

“Hmm. Lebar nya... pamiaya masalah nu beurat pisankumaha Di?” Déwi nanyadeui. Mimiti kadéngé aya nuhirup dina dirina. Lain Déwinu kosong bari neuteupkolam sababaraha menitsaméméhna.

“Ari masalah mah kududibéréskeun, lain diting-galkeun,” ceuk kuring. Kuringharita ngajawab maké kali -mah ti para motivator.Kalayan sadar, matak hayanglumpat tina masalah téh kusabab masalahna geus teumungkin dibéréskeun kituwaé, biasana mah.

“Lamun bérés masalahna,kumaha hubunganna?” ceukDéwi. Harita manéhna min-dahkeun paneuteupna, tinakolam kana beungeut kuring.

“Pertahankeun,” ceukkuring.

Pikiran kuring nu nga -layang kana adegan curhat ditaman di sisi kolam téh balikdeui kana tempatna. Panonfokus deui kana layar laptop.Najan teu téga, aya saba -baraha poto anu ku kuringdibuka. Ditingali informasipotona maké adobe Bridge.Jéntré éta poto téh dicokotsababaraha bulan ka tukang.Berarti saméméh Déwicurhat.

“Wi, hampura, kuring teuapal masalah manéh téh nepika kituna. Hampura kuringgeus nitah anjeun mertahan -keun hubungan jeung siRoni.” ***

Fébruari 2014

Manglé 246920

Jalan ka Cikolédumadakankarasa jauh.Padahal saruajeung minggu-minggu katu -

kang, naék béndi ditarik kudua kuda Eropa. Tapi ayeu -na mah karasana jauh. Kitucarék gerentes Dalem Astra-manggala.

Pantes waé rék kitu ogé,kusabab Dalem keur ka -béng bat ku wanoja kembangdésa Cikembar. Najan baulisung, Apun Gencay --kitungaran éta wanoja pikeundirina siga bidadari kahya -ngan geulis camperenik,moal matak éra dibawa kapadaleman. Komo umurna18 taun keur meujeuhnaalaeun mun dina kembangmah.

“Kumaha Demang, étabudak awéwé téh geus di-paruluh kulawargana?Tanyakeun atuh, bisi geusbogaeun papacangan. Kapankaula teu genah haté munngarebut bébéné baturmah,” cék Dalem Astra-manggala, Bopati Cianjuranu kasohor rajakayana, ahlingebon kopi.

Pangawakan dalem téhjangkung leutik. Gagahnaker. Paromanna kasép.Umur Dalem 40 taun, keurmeumeujeuhna jaya cékdina itungan kolot mah.

Dalem harita boga ketakrék mariksa para pagawéanu ngokolakeun manghék-tar-héktar kebon kopi.Tangtu nu utamana mahbari manggihan deui Apun

Gencay, wanoja geulis anuminggu katukang dipang-gihkeun ku Demang Cikolé.Wanoja anu sababara poékatukang ieu geus ngeusilamunanana saban waktu.

“Parantos, Gusti. ApunGencay masih nyorangan.Taya hahalang, taya pakuat-

pakait sareng sasaha ogé.Cocog pisan saumpami dipi-garwa ku Gusti,“ cék De-mang Cikembar bari nye mbah sawaktu mapag dalemturun tina béndi di pasang-grahan distrik Cikolé parantingareurehkeun lungsé.

Cikolé téh bagian ti

Kabupatem Cianjur. Alamnadilingkung gunung; GunungBésér, gunung Béngbréng,Gunung Guruh. Geus kituloba pakaya tina cai, aya Pal-abuan Ratu, Lembur Situ,Situ Gunung, éstu ngajadi -keun rahayat jeung gege -dénna mamur tengtrem ku

Duriat Apun GencayCarpon Luki Muharam

CCarita Pondok

21Manglé 2469

kakayon alam. Sewangan dikamar

tukang pasanggrahan, ApunGencay keur dirias ku NyiDemang. Geus kitu kuduna,saupama Apun Gencaydiewed ku dalem mawamatak ka pangkat salakina,bisa waé diponclot tinapangkat demang.

“Apun ulah ngérakeunkami. Manéh kudu tuhukana sagala kahayang GustiDalem. Sabab lamun teukitu, Gusti Dalem tada teu-ing benduna. Temahna,kabéh urang Cikolé bakalkabagéan mamalana,“ cékNyi Demang mapagahanApun Gencay bari anteng di-geugeulis.

“Muhun Juragan,“ cékApun ngajawab bari tung -kul. Padahal dina haténaratug tutunggulan. Teudisangka, basa diamprok -keun jeung Dalem Cianjurminggu kamari, haté nuasalna ngarasa sieun --bohbisi ukur dijadikeun lu-lumayanan wungkul sabotDalem aya di Cikolé, ayeunamah haté leutikna geuskapentang asmara ku DalemAstramanggala. Dalem gedékakawasaanana. Katambah-tambah loba rajakayana.Apun salila ieu cicing di lem-bur Cikembar, mantuankolotna purah buburuhmeresihan kebon kopi, geusngarasa teu betah hirupripuh. Dina lelembutanananyawang yén hiji waktu di-rina kudu hirup senang.Sagala aya, hayang teudibadegaan waé .

“Bawa ka dieu NyiApun!“ cék Dalem Cianjurka Demang Cikolé.

Anu dititah hariweus -weus muru ka kamar tu -kang. Apun Gencay kaluar tikamar lir putri raja kaluar tikaputrén, geulis campere -nik. Laju nyampeurkeunDalem anu seuri bungahningali buah atina sakitu

geulisna.“Ka dieu Geulis, deukeut

ka dieu. Akang téh sono. Ayasamingguna teu manggihanNyai,“ cék Dalem.

Anu ditanya nyembahacung-acungan. Tuluy diuktimpuh, ngeluk teu wanieuntanggah. Ngarasa ajrih kuKangjeng Dalem.

“Gusti sembaheun abdi,nyanggakeun diri abdi sa-daya-daya. Seja babakti kaGusti papayung nagri,“ cékApun ngajawab semu da -reuda. Dadana kebek kugeder ratug dag-dig-dugnahan gumuruh cintana.

“Hayu, ayeuna kénéhurang ka Cianjur. Nyai bariscicing di pendopo. Saméméhakang nikah ka Nyai, Nyaibaris diatik heula sababara -ha waktu sangkan biasajeung kahirupan di pendo -po,“ kangjeng Dalem semulirih.

Ti harita Apun Gencaydibawa ka Cianjur, ninggal -keun kolotna anu teu weléhpasrah kana nasib. Apungeus buleud rék ninggalkeunsagala kapeurih hirupna jadijalma sangsara.

Apun Gencay téh kem-bang lembur Cikembar.Geulisna taya tanding di di -strik Cikole mah. Ema jeungbapana sakapeung sok batibingungeun lantaran rabullalaki anu hayang mibandaApun. Ngan weléh kabéhogé taya anu laksana. Lainkurang ku nu garagah ka -rasép, jeung ku nu baleung-har, tapi kabéh lalaki anuhayangeun ka Apun kabéhmalundur. Naon sababna?Sababna mah aya Ki Soma,jawara anu dipikasieun ala-tan sakti mandraguna bariboga talajak panas baranan.Cék kolot mah sahaok kaduagaplok.

Ki Soma geus omat-omatan ka kolotna Apun,ogé ka kabéh urang Cikoléteu meunang mikeun Apun

ka lalaki mana waé, iwal tika manéhna. Najan can ayabeungkeutan antara Somajeung Apun, ngan manéhnageus asa mibanda, padahalApun ogé can karuhandaékeun dipigarwa.

“Bapa-ema, mana NyaiApun? Cenah dibawa ku De-mang Cikolé ka Cianjur?Naha dibikeun?“ cék Somahariweuweus datang nga-jorag ka padumukan kolotApun.

“Ujang ulah ngambek kakami. Kami mah teu wala -kaya. Juragan Demang katutopas kamari soré datang kadieu, tuluy mawa si Apun.Cenah jadi ditikah ku GustiBupati Cianjur téh,“ cék in-dungna Apun.

Ki Soma ngahuleng,“Heueuh ku geulis-geulisnaApun pangkat bupati ogékagégéloan. Ngan laintandingan aing lamun kudungarebut Apun ti Bupatimah. Tapi dagoan siah…aingseja ngawales kajadian ieu,kumaha waé carana,“ cékgerentes Ki Soma bari tuluyngaléos.

Kacaritakeun di padale-man Cianjur. Dalem jeungApun keur suka bungahngaliwatan poé ku hiasankembang-kembang cintana.Lir ibarat Raden Munding -laya jeung Dewi Asri anu pa-pada mikacinta dina lalakon“Sasakadomas”. Teu karasasababaraha poé deui Apunbaris didahup ku papayungnagri. Nu tatahar di pendo -po katémbong pisan najanbasajan. Loba tukang kem-bang, tukang masak, jeungpara badega pendopo pu-lang-anting mawa sarupa -ning kaperluan. Ninggangdikabéh pada riweuh, padasibuk nataharkeun kara -méan. Taya anu nyahoeun

Ki Soma datang ka pendopomawa kembang satanggu -ngan nyaru-nyaru tukangkembang.

“Di mana siah DalemCianjur? Aing paéh gé teupanasaran lamun geus bisamaéhan heula dalem anugeus ngiwat bébéné aing,“cék gerentes Ki Soma baringusap-ngusap condré anudiselapkeun dina cang -kéngna.

Sanggeus luak-lieuk barisalungkar-salengkor mawakembang satanggungan, KiSoma ningali Apun Gencaykeur dirariung ku paradayang di gedong Pancanitipendopo.

“Emh Apun, buah hatéakang. Asa beuki geulis waéNai téh. Saksian akang réknyieun balitungan ka Kang-jeng Dalem,“ cék gerentesna.

Ngan sawaktu nempo kalebah pendopo, di jero ayahiji jalma diuk dina korsianu moncorong komarana;dirariung ku para ménakanu sila marendeko.

“Itu sigana dalem téh,”cék Ki Soma bari nyalingkersisi pendopo ngadagoan ri-ungan bubar. Laju Ki Somamapatkeun ajian halimunanmeunang ngalap ti Ki Bagjakuncén Gunung Gorowong.“Ajian aing halimunan. Sahawaé moal ngadeuleu aing.Jalma, jin, jeung demitmarakayangan ogé moalngadeuleu ka aing. Samar-samar kabéh téténjoan kaaing kasimbutan ku hali -mun. Leungit aing tinapanénjo saha waé. Leungitngiles.“

Ki Soma tuluy nénjragbumi tilu kali. Les ngileswujud Ki Soma. Nu ngaleu -ngit téh asup ka jero pen-dopo, mawa condré kahareupeun Dalem. Ari Kang-

NNyambung ka kaca 38

Manglé 246922

Bada isya,Oyoyleumpang so-rangan murulembur PosJaga OKD

Karang Anyar nu geusnarungguan manéhna.Haténa karasaeun haram-pang jeung bungangang.Mun téa mah manéhna bisanumpes gorombolan nu rékngaranjah lembur KarangAnyar, mana teuing bakalpanjang caritana. Moal boa

éta béja bakal nepi ka Lilis.Aya harepan Lilis bakaldaékeun ngarangkep jeungmanéhna, geus kitu mahkabagjaan téh bakal eunteuppageuh na kahirupan Oyoyboa nepi ka tungtung teuteu-pan. Pikiran éta nu ngalan-tarankeun Oyoy héhéotansajeroning leumpang téh.

Sakeudeung deui nepi kalembur Karang Anyar. Karingaliwat ka tanjakan Cibo-das nu rada netek, tuluyméngkol ngénca mapay

sawah Ki Adad nu katelahpanglegana. Jog, bakal anjogka Lembur Karang Anyar.Pikiranna mah geus nepi titadi ka tempat nu di tuju.

Teu ku hanteu, basa réknaék kana tanjakan Cibodas,Oyoy kurang waspada.Manéhna teu nyahoeun yéndi luhur, di mumunggangtanjakan, aya sapuluh uranggorombolan DI/TII nu keurmapagkeun. Ngarasa bu -ngah sabab aya dina posisinu nguntungkeun, ti luhur

mah awas pisan ka handap.Cacak mun sapeleton ogébakal kawalahan diserang tiluhur, da kajaba poék téhmeneran négla deuih. Tayatempat pikeun nyumputnyalindung. Komo ieu, nuleumpang maké baju loréngtéh ngan sorangan.

***“Caang bulan euy...!” “Ssst...! Tong tarik teu-

ing, Belegug! Bisi ayagorombolan nyamuni!”

“Ah, Moal Pa. Da lamunaya gé nu ngabring ti girangpasti ngaliwat kana jem-batan luhur cai. Tah, ha -reupeun urang!”

“Enya, ngeunah euy munheueuh aya nu ngaliwat téh.Kari didodéd ti dieu.”

“Seungeut atuh roko téhWan, tong digélang waé.”

“Silaing hayang nya?”“Kantenan Gan, ti tatadi

dianti-anti!”“Sst..sst... tah déngékeun

barudak, sada rokrak nu ka -tincak!” Limaan OKD di -pimpin ku Iping curinghaksirikna manjangkeun ceulinenget-nenget datangnasora di tonggoheun walun-gan. Maranéhna nyempod dihandapeun tangkal Ki hujanpaeunteung-eunteung jeungwalungan Ciminyak katutu-pan ku eurih jeung areuy,sayaga bisi enya aya gorom-bolan nu rék ngadonngaranjah lembur. Teu lilakadéngé nu ngucuplak kanawalungan.

“Goblog téh, bangkongkawin ning euy! Téwak Sar-wan!” Gajleng Si Wawanngajleng bari ngarontokbangkong nu keur patum -pak-tumpak dina beungeutcai walungan.

“Yeuh Pa, rék dikuma-hakeun?”

“Ka dieu, urang talian!”Pangangguran Iping nyabutjukut eurih tina sela-sela

CCarita Pondok

Tanjakan PanawuranKu Anita Rohani

23Manglé 2469

sapatu botna ret ret étabangkong anu sajodo téh di-talian nepi ka teu bisaeunhojah. Tuluy dibungkusmaké daun tisuk.

“Alus euy, buleud kieu.Cing pangalakeun karakastina tangkal cau, Usén!” Teunanya heula keur naon, SiUsén gancang ngala karakastina tangkal cau gigireunana.

“Ieu Pa.” Éta bangkongnu geus dibungkus dauntisuk téh dibaguded kukarakas garing. Bleg wé sigabungkusan gula.

“Hahaha... Siga gulabatok teu euy?”

“Wah heueuh bener Pa,teu dipiceun sasieur!”

“Hayu tuturkeun déwék,urang heureuyan barudakOKD Cibitung!”

“Ari di dieu kumaha Pa,euweuh nu jaga?”

“Lah, keun baé. Geuswayah kieu mah moal taru-run urang gunung gé. Namti heula!” Bring BarudakOKD kalima pamingpinnaIping, ngabring muru posjaga OKD lembur Cibitungpimpinan Oyoy. Ari Oyoytéh sobat dalit Iping, pada-pada jadi kepala OKD nganbéda lembur.

Harita téh keur kaayaangenting sabab méh sabanpeuting gorombolan DI/TIInu katelah “urang gunung”sok turun ka lembur, nga -don dudurukan jeungbudag-badog. Ingon-ingonmah geus teu kacatur deui.Malah sadésa méh kabéh teungingu ingon-ingon. Lamunteu buru-buru dijual atawadipeuncit, peutingna tangtuleungit dibawa ku urang gu-nung. Matak TKR marén -tah keun sakabéh désanyieun OKD atawa Organi -sasi Keamanan Desa.Sanggeus aya OKD mahrada bisa ngarénghap, daurang lembur asa aya nunangtayungan.

Sanggeus nepi kasampakOKD Cibitung mah keurnyegrék saré. Kérékna sada

patémbal-témbal, anu pang-tarikna kérék nya Oyoy so-rangan.

“Hudang euy, nganmolor wéh gadag téh! Yeuh,gula yeuh. Geura tarinyuh.”Oyoy hudang bari lulungu.Janari kitu atuh, keur meu-jeuhna nikmat saré.

“Walah, meunang gula timana silaing euy?” CeukOyoy bari gigisik.

“Lah, tong loba tatanya.Buka anggur mah!” Gura-giru Oyoy nyabut sekin tinasarangkana. Srét srét bung -kusan karakas téh dibuka.Ari hég péso sekin téh keunapisan kana tali jukut eurih,na da éta mah ngan gajlengbangkong sadua-dua luncatkana beungeut Oyoy. AtuhOyoy ngabangkieung labuhnangkarak bengkang baringajorowok.

“Ieueueueueung....!”“Hahahaha... Amis teu

euy gulana?” Ceuk Iping,barudak OKD kabéhsaleuseurian, malah aya nunepi ka nyekelan beuteungsagala bakat ku teu kaduga -eun nahan piseurieun.

Kuniang Oyoy hudang,laju lumpat muru ka Ipingrék males caritana mah.Ngan dasar nu lulungu,ngudagna teu pati bener, ayalombang rada gedé di ha -reupeun pos jaga teu kati -ngalieun. Solédat gebru….!Manéhna labuh ngadua -kalian. Iping nu geus taki-taki rék lumpat malik deuibari nyakakak.

“Ampun, silaing mahIping jail téh teu euih euih.Hanas geus kumétap ieulétah aing rék kasumpingankopi gula batok. Kéhéd téh!”

Gék Oyoy diuk dinagolodog bari hah-héh-hoh,teu lila Iping ogé diuk gigir -eunana.

“Lain euy, urang téhhayang ka Si Lilis urangLembur Aki Adad. Ku silainganteur yu!” Ceuk Oyoy kaIping.

Ngadéngé ngaran Lilis

disebut-sebut, gebeg téhhaté Iping ngagebeg.Sababna mah taya lianIping geus nyahoeun yénNyi Lilis téh bogoheunanaka manéhna. Katémbongdina keletna unggal panggihdi pasanggrokan.

“Ah embung, sieun kusalakina,” pokna.

“Moal lah, kumahadéwék wé. Silaing mah tim-bang nganteur,” ceuk Oyoybari ngaduruk lintinganbako molé karesepna. Nganhaseup wé rabeng kaluartina baham jeung irungna.

“Pék wé bisi silainghayang mah, ngan ulah ma-mawa déwék!” Iping keu -keuh dina pamadegan ana.

“Ceuk déwék gé moal!Hayu atuh urang indit!”Jung Oyoy nangtung baringeprukan calanana nukakotoran taneuh urut labuhtadi.

“Har, rék ayeuna? Janarikieu.”

“Puguh ngahaja wancijanari, hayu lah.”

Oyoy leumpang ngagedigmuru lembur Karang Anyaranu katelah lembur AkiAdad. Najan kalékéd teu bu-rung Iping ngalénghoy nu-turkeun ti tukang.Kahayangna mah saréngaguher bareng jeungbarudak OKD nu geusngararéngkol di pos jaga,tapi da ngawayahnakeunpédah sobat dalit pisan numereyeng boga kahayangtéh.

Sajajalan, Oyoy nem-bang lagu gandrung semudipengkek. Sieun urang lem-bur kagareuwahkeun. Soksanajan asa piraku kétang,da maranéhna leumpang ditengah leuweung leutik numisahkeun Désa Cibitungjeung Désa Karang Anyar.

Jog anjog di tungtunglembur Karang Anyar, mundikira-kira mah meureun

wanci adan sakali harita téh.Keur meujeuhna sepi jem-pling. Oyoy kadua sobatnacingogo di handapeuntangkal awi, meneran pisanpas muragna kalangkang. Tikajauhan mah, bleg wé poékmoal aya nu nyangka ayajelema dadaékanan cicing didinya wanci kitu. Paneuteupduanana lempeng ka ditu, kaimah anu suhunanna ken-téng beureum, bilikna dika-pur pulas héjo daun cau,buruanana dipapaés rupa-rupa kekembangan nu keurmeujeuhna mangkak. Kem-bang angkrék japati oyag-oyagan katiup angin napeldina tangkal jambu aér,kembang eros kayasnyangsaya na pager nu dika-pur pulas bodas. Katingaliyén éta buruan téh hadéomé.

Kaéndahan éta teukarasaeun ku Oyoy, nu keurudud gancang. Udud anuteu diseuseup jero tapi ngansaukur dikenyot wungkul,ciri bangun kacida geum -peureunana. Iping lila-lilakesel tuluy nyarita.

“Sok sok atuh ari réknyémah mah, nungguannaon?”

“Ké heula,” témbal Oyoypondok.

Teu lila kulutrak sadaaya nu muka konci, dinakaayaan sepi kieu mah soraleutik gé asa béntés kapi -rengna. Bray aya cahya nukaluar tina sela-sela pantoimah, sanggeus pantona di-tutupkeun, kakara kataraaya lalaki nu keur ngajan-teng bari ngahurungkeunpalita. Tétéla salakina Lilisnu rék indit ka pasar.

Ari salakina Lilis téhkasabna kana dagang ku-rupuk, unggal janarimanéhna indit pikeunngiangkeun kurupuk kapasar-pasar sakuriling DésaKarang Anyar. Beuki jauh ti

NNyambung ka kaca 38

Poé Kemis di bulanJuli katompérna -keun, panon poémangsa reup-reup an, langit

lenglang taya aling-aling,harita téh mémang keur usummamareng. Bari nyeueung én-dahna layung anu keur ngem-pur hurung luhureun gunung,pirajeunan ngadaweung dinabangbarung, bari ngopi makégula kawung, lalawuhna sam-peu rumaja meunang ngago -réng.

Di buruan cai balongboborélakan kasorot cahayalayung, kancra bareureumtinggareboy ngojay ka kulon-ka wetan, waas, mawa ting -trim kana ati sanubari. Sagalakarungsing, sagala ka pusing,sirna tina pamikiran, kagantiku rasa haté anu bangblas.Turun ka buruan mawa awursacanggeum, wur parab laukdi awurkeun ka tengah ba-long, cai balong ngadak-ngadak motah ku lauk anuparebut parab, aya ku éndah.

Keur kitu aya anu uluksalam, sanggeus dijawab, anuuluk salam téh di ajak ka jeroimah, duaan tamu téh, lalakiwungkul, sanggeus basa-basitandana ngaku ka tatamu,terus ditalék pamaksudan-nana pangna datang sore-sorejiga aya penting.

“Punten tumaros, ayakaperyogian naon atuh saliratéh, sumping ka rompokAkang sonten-sonten kieu”.Bari neuteup seukeut, tatamutéh langsung ditanya pamak-sudannana.

“Hatur nuhun ditarosKang, puguh Abdi téh gaduhanu udur,” rengkuh sopancumarita, jiga-jiga anu

dareuda.“Ka dokter atuh Ayi, ulah

ka Akang.” “Parantos éta ogé, nanging

teu acan aya perobihan, ma -nawi waé ngalangkungan diriAkang, Alloh marengkeunkana tujuan Abdi,” tatamu téhkeukeuh rék ménta tulung.

“Anu tiasangadamangkeun deui anuudur, sanés dokter, ogé sanésobat anu dipasihkeun ku dok-ter, sanés dukun, sanés jalmisapertos Akang, tapi cageurnamanusa tina udur, éta mang -rupi kuasana Alloh SWT.”

“Leres kahartos pisan,Kang, tapi pan cenah kedahnganggo cukang lantaran, nu-mawi abdi ka dieu nepanganAkang, manawi baé pendakcukang lantaran ngalangku -ngan katiasa salira Akang.”

“Saha anu teu damangna,sareng panyawat naon?” di-talék ku pananya kitu, tamutéh bet ngeluk alum, duma -reuda, cumalimba, matakwatir.

“Pun bojo Kang, tos lamikeuna ku panyawat bareuhbeuteung, punten waé Kangabdi tulungan.” Emh, istrinageuning anu udurna téh,paingan titadi tatamu téhalum waé, panyakit busunggeuning, hésé gering kitu mahdiubarannana.

“Dupi bumi di palih manaYi?”

“Abdi ti Cibeureum, palihtonggoheun Rancah, Kang.”Nu ditanya ngajawab nuduh -keun tempat pangancikan-nana, ngabéjakeunsacéréwéléna.

“Ayeuna mah Ayi junggeura mulang, engké saatosmagrib Akang ka ditu.”

Karunya, rék ditingali waéanu udurna, niat karena Allohtaalla.

Nyubadanan jangji, béréssolat maghrib miang ngajug -jug Rancah, nembus leu -weung geledegan anuharieum canéom, nepi ka Ko-jéngkang, tuluy nurugtugmudun mapay lembur, geusjiga di kota, lampu listrikbaranang di tiap buruan.

Datang kanu dituju,kasampak loba jalma anukeur narungguan nu gering,sanggeus uluk salam sup kajero, nu gering pada ngariung,nangkarak bengkang beu -teung kembung, beungeut ce-long, awak rangkébong.Deudeuh teuing, ieu mah pa-nyakit geus parna, duka bisadiubaran duka moal, ceg bitisanu gering téh dicekel, diteu-teup bari diobrolan sangkanmawa katenangan kanu ge -ring.

“Ibu sing sabar singtawakal, kadang hirupmanusa kedah ngalamancobaan sapertos kieu, mungka ikhlasan haté anu tiasaningtrimkeun diri, mungGusti Alloh anu tiasa nulu -ngan urang, mung GustiAloha nu tiasa ngadamang -keun deui urang,” diobrolan,anu gering téh unggeuk tandangarti, cipanonna ngalém-béréh mapay pipina.

Sanggeus mariksa anugeringna, nguniang hudangmuru ka tengah imah, méntacai hérang rék di du’aan janganu gering, sanggeus aya,prak dzikir di kamar ngamal -keun élmu pikeun ngubaran,khusu ngadu’a téh, tapi aya kuanéh gelas anu digolérkeunber ngagerebeg caina nepi ka-

muncrat, kila-kila jigana mah,tapi bet asa aya anu nepakpunduk, piraku aya jurigonam an.

Teu loba carita, cai titahdibikeun sina dileueut kunugering, bari diubaran beu -teungna, susuganan, teu dibé-jakeun kajadian keur ngadu’amah bisi rareuwaseun, teuterus kapanjangan, sanggeustugas bérés terus amitan mu-lang, diandeg ogé ku nu bogaimah, alesan rék neruskeundzikir di imah.

Rék jung pisan miang, anuboga imah muntangan leung -eun, terus tumanya ngaharé-wos, bari panonna carinak dak.

“Kang kumaha pun bojotéh kinten-kintena, naha tiasadamang deui?” Nu muntang -an téh keukeuh hayang apalkana kaayaan bojona.

“Wallohu allam bi sya -wab, Akang teu gaduh katiasanyageurkeun, ukur boga élmusaeutik pikeun ngubaran anuudur, nanging cageurna mahmangrupi kuasa Gusti AllohSWT”. Dijawab kitu téh,manéhna unggeuk, pamulunaalum ngungun, beurat ka bojoanu keur nandang lara.

Mulang geus rada peuting,maké motor nyemprung katonggohkeun, liwat Kojéng -kang jalan poék meredong,leuweung mahoni sapanjangjalan matak geueuman, matakkeueung, teu ieu jadi piker rasinget kana kajadian tadi, bisiaya anu rék dengki, buru-burumulang dirusuhkeun.

Sanggeus beres solat jeungwiridan, kuring ngagéléhékana korsi panjang di tengahimah, indung budak geus sarétibra, kitu deui barudak dua-

Manglé 246924

PPuridingPuringkak

Jurig TeluhKu Andang S. Argayuda

25Manglé 2469

nana geus kérék ti soré kénéh,teu enak rarasaan, jadi teubisa saré, nyileuk sorangannepi ka wanci tengah peuting.Kira-kira jam dua welas, imahujug-ujug ngariyeg, korsi anudipaké gégéléhéan ngagere-beg, sugan mah aya lini, terusluncat rék ngahudangkeunbarudak, imah ngariyeg deui,keur kitu geblus aya anu asupka tengah imah.

Hiji mahluk pikagilaeunngabedega dina juru rohangantamu, tangtungan badag ru -bak, kulit beuteung baba -rendilan, dada babaling bingan, beungeut bosongot,irung pengék, mata bolotot,sungut calawak, huntunaranggéténg sareukeut, awakbuligir ukur dicawet, hulunagundul, tina hulu nepi kanatonggong pinuh ku tanduk,ramo-ramona sareukeutparanjang.

“Mahluk nanahaon, betpikagilaeun, boa anu rékngarogahala yeuh!”gegerenyeman dina haté,bakat ku kagét jeung gilanempo mahluk anu sakituseremna, kuring mundursababaraha léngkah, nga-jauhan tina korsi, ceg kanagobang anu ngagantung dinatembok, jaga-jaga bisi ieumahluk téh rek niat jahat.

“Hey mahluk kajajadén,andika saha jeun anu timana?aya naon kuwawani asup kaimah kula tanpa bemakrama?” Ngawanikeun diri,tumanya ka éta mahluk, anuceuk tetempoan mah jigasiluman buhaya.

“Ha ... ha ... ha ... héymanusa, kula samber nyawa,datang kadieu rék nyabutnyawa manusa.

” Éta jurig ngomongbosongong, seuri babarakata -kan, mata burial buncelik,suku téténjrag, imah ngadak-ngadak inggeung, jantungratug asa rék murag.

“Oh, jadi anjeung téh jurigteluh?”

“Enya, kula datang kadieumeunang pancén titah nyabut

nyawa manusa.”“Kelanan, sakanyaho kula

mah anu sok nyabut nyawatéh, nyaeta malaikat Izrroil,lain bangsa anjeun”.

“Lain malaikat Izrroillwaé, kula ogé bisa nyabutnyawa, geus loba manusa anudicabut nyawana ku kaula,sakeudeung deui anjeun ogébakal dicabut nyawa ku kaula,ha... ha ... ha ...” Éta silumanédan, nyarita jiga anu enya,dasar jurig teluh.

“Tong nyingsieunan, dakula mah teu sieun ku paéh,tapi kula mah yakin moal paéhku bangsa anjeun.” Teuneungludeung, yakin kana kuasanaAlloh SWT, teu ieuh sieun kuancaman jurig nyiliwuri.

“Ha ... ha ... ha ..., kula mé-mang datang ka dieu rék ngalajiwana manusa, éta geus man-grupa tugas kula anu moal

gagal.” Éta jurig tetepngomong kitu dibarung kuseuri babarakatakan, mataksawan anu borangan.

“Rék ngala jiwa saha atuhanjeun téh?” Kuring tumanyapanasaran, najan surti kanatujuannana, tapi hayang apaltina caritana.

“Ha ... ha ... ha..., kula réknyabut nyawana anu ngaran siAndang, geura tuduhkeun,mana anu ngaran si Andang?”Beu bener waé geuning ieusamber nyawa téh rék ngaro-gahala, rék ngala nyawa kadiri.

“Inni tawakallttu alallohi,robbi wa robbikum, héy jurigteluh, di dieu mah euweuhanu ngaran si Andang ieuh,tuh di ditu, di Rancahmeureun”. Kuring tegasngomong ngabohong ka étajurig, nuduhkeun kanu jauh.

Na da éta mah, sanggeusdibéjaan kitu, éta jurigsiluman téh ngagibegkeunawakna, terus ngabelesathiber ka kidulkeun, murupanuduhan.

“Huh, dasar jurig belegug,jurig euweuh kanyaho, lolongbonconong, puguh uing anungaran si Andang téh”. Baringucap sukur kuring ngareng-hap narik napas panjang, all-hamdulillah bisa leupas tinapangrogahala jurig teluh.

Geus aman mah terusngagéléhé deui kana korsipanjang urut tadi, peutingbeuki simpé, pipikiran jadingacacang kaman-mendi,nepi ka datang waktu subuh,bangblas teu bisa saré. ***

Patakaharja, Rancah –CIAMIS.

CCarita Heubeul

Ku kitunaUkur henteupetot-petotneneda kaNu Kawasasangkan di-

jaring-diaping, ginulur kara-hayuan. Saban poé manéhnatigin pisan ngalatih diri,ngawalayar rupa-rupa kas-antikan kaprajuritan, anuperlu dipibanda ku unggalsatria.

Dina jaman harita diunggal dayeuh karajaan, sa -bulan sakali sok diayakeuntongtonan di alun-alun,nyaéta anu disebut “sené-nan”. Demi anu sok dipin-tonkeun dina senénan,sawarnaning kasantikaanngolah gagama, saperti ujun-gan, maén pedang, maéntumbak dina kuda, tandingkeris jeung katangkesan-katangkesan lianna, sakuranu jadi kamaheran prajurit.Anu matak disebut “sené-nan” lantaran diayakeunanatéh dina saban poé Senénkahiji, unggal bulan.

Kacaritakeun senénananu baris diayakeun harita,kaasup anu bakal pangra -ména, sabab nincak dinabulan “kenem” (Mulud). Nu-rutkeun adat kabiasaanjeung kapercayaan urangJawa, dina bulan éta téh sokdipaké nyipuh wewesan, kas-antikan, kadigjayaan, barimamérkeun gagaman pusa -ka jeung rupa-rupa pajimat -an. Pidua-tilu poéeun deuikana prungna senénan, parabupati, ponggawa ti nu jauhti nu deukeut, kabéh merlu -keun datang ka dayeuhMata ram. Aya anu ngansaukur arék seba jeungnjumponan puraga wungkul,jeung aya anu ngahaja arékmilu ngadu jajatén. Kitu deuirahajat biasa, ti suklakna tisiklukna geus merul dara -tang ka dayeuh, ngahaja aréklalajo senénan.

Gancangna carita geuscunduk kana waktuna. Alun-alun sakurilingna dipucukjeung dibebetek, lawé rontékting kélébét, umbul-um-

bulna melengkung, ting hili-wir katiup ku angin leutik.Babancong geus dihias, lirpajangan pangantén.Samalah korsi gading paling-gihan Sultan ogé, harita geusdipindahkeun ti pasebanna.Di kenca-katuhueun baban-cong, kitu deui di saparat-parat jalan, anu baris kalang kungan ku Kangjeng Sultan,ti karaton ka alun-alun, rajegprajurit katut gulang-gulanganu nyarekel tumbak jeungpedang. Jalma-jalma noyékdi sakuriling bungking alun-alun, kolot budak, awéwélalaki pasedek-sedek, padahayang meunang tempat nupanghareupna. Sanajanharita masih kénéh isuk-isuk, tapi ku perbawanahawa jelema anu mangrébu-rébu, geus karasa panashareudang. Gamelan jeungmonggang muni piligenti. Tiwaktu rebun-rebun kénéhogé geus ditabeuh tayalirénna, ngalagukeun lagu numatak gumbira, ngahudang -keun sumanget kaprajuritan.

Teu kungsi lila jeleng-gung-jelenggung goongkabuyutan disada, tangaraSultan rék rawuh. Jalmamojég, ting euleungeung barijaréngké. pada hayang awaska nu jadi panembahan.Kangjeng Sultan geus anjogka babancong, diiring kuRatu Padmi, ditema ku paraceti jeung emban, anumarawa upacara karajaan,epok lampit, tumbak binangsawunggaling jeungsalianna. Katingalna hurung-hérang murub-mubyar,pusaka emas sinangling, di-tarétés ku sosoca. Gamelanjeung monggang agemngalagukeun kebojiro.Sanggeusna beres lalinggih,Sultan maparin isarah kaSenapati Ronggonoto, su-paya senénan geuradimimitian.

Senapati Ronggonotogasik maréntah ka tamtama,supaja nandingkeun nu rékujungan. Nu rék diadu ujun-gan kabéhna aya genepan.Ku tamtama prak diatur, di-

Manglé 246926

{ 33 }

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

pasangkeun dua-dua. Gerdiadukeun sapasang-sapasang, di satengahingalun-alun. Pohara raména,silih gitik silih gebug ku hoésagedé indung suku, pan-jangna kira-kira sadeupa.Keur ngajaga bisi kakeunaansirah, kabéh maraké balaku-tak; bincurangna ditutupanku kulit munding nu geusmeunang ngagaring keun. Nudiarah baba kuna indungsuku, sabab cek angga-panana nya lebah dinyamamarasna téh. Mim-itina kacar anggang,paneung geulna di-ulinkeun, nguriling barijeung ngigel, tincaknaninggang wirahma, dinalagu léang-léang.Upama aya nu kakeun -aan, nu lalajo ger saru-rak, mapanas ka nutalingeuh. Beuki lilabeuki ragot, ngagitikpatarik-tarik, ting jale-bred ting beletak.Upama geus aya nungarumpuyuk, kakaradisapih. Nu éléh gan-cang digotong, nu ung-gul réngkénék ngigeldeui, tandang nangtangsugan aya lawan séjén -na. Anu unggul dia -dukeun jeung nu ungguldeui, nepi ka tung-tungna ngan tinggalsapasang deui. Gerramé diadu deui, jagolawan jago, pada kesitpada rikat, pelit dilawanpelit. Saharita mah tayanu bisa ngira-ngira,mana nu baris unggul,mana nu bakal kasoran.Kira-kira geus satengah jamlilana, anu saurang katarageus rada leuseuh tanagana,nying cetna geus kurangtanginas, nakisna geus ku-rang tapis. Ku lawanna terusdibabuk-lalaykeun, nepi kajajarigjeugan. Sabot kitu kilawan mundur saléngkah,hiuk paneunggeulna di-heumbatkeun, rikat ngan

sakolébatan, beletak keunameneran indung sukuna nukatuhu. Harita kénéh brungarumpuyuk, tuluy nyuuhhenteu kuat nangtung deui.Ku tamtama diburu sartaterus diparéntahkeun supayagancang digotong, dikaluar -keun ti pakalangan.

Ki lawan, anu unggul téahenteu buru-buru ninggal -keun pakalangan. Bari maké

balakutak rampayak manéh -na ngigel ngibing lagu rajak-rajak. Barang geus deukeutka payuneunanan, brek te -pak deuku ku tuur kénca,cedok nyembah, gék diukmendeko. Ku Senapati bal-akutakna dipiwarang dibuka.Barang bréh beungeutna kuSenapati katingali, anjeunnangarenjag lain meumeueu-san. Sing horéng anu pan-

gunggulna dina ujungan téh... Ki Ukur.

Senapati Ronggonotonyaur bari keding hangit:

“Euh kutan manéh jele-mana, anu unggul dina uju -ngan téh?”

“Sumuhun dawuh,” rin-tih Ukur ngawalonna.

“Ulah waka ieu aing,boga rasa pangpunjulna.Ujungan mah ngan saukur

kasantikaan pikeun prajurit,lain keur nu bakal jadi tam-tama. Ayeuna ku kamimanéh baris diadukeun deuijeung Ki Jajengrono, tam-tama anu geus kahot.”

“Abdi dalem tansahngiringan sakersa,” walonUkur. Sikepna henteugalideur, tapi henteu pisan-pisan nembongkeun pase-mon angkuh.

“Jig ayeuna geura sasadi-aan! Kami hayang uninga,geus nepi ka mana panga -bisa manéh enggoning ngo-lahkeun tumbak, baritumpak kuda.”

Ki Ukur henteu talangké,cedok nyembah tuluy undur.

Jelenggung-jelenggunggoong ditabeuh deui. Sena -pati ngembarkeun, yén anubaris dipintonkeun ayeuna,

kasantikan tumpakkuda bari ngolahkeuntumbak. Ger nu lalajosurak ayeuh-ayeuhan,bari moyeg hayanggeura nyaraksian.Répéh nu surak, ditemaku sora gamelan, nga -lagukeun lagu pangli -ma, sorana halimpuangin-anginan. Henteukungsi lila torojol KiDjajengrono, nitih kudadawuk ruyung. Dasarkuda palajaran, sisirigbari adéan, tincaknaninggang wirahma,luyu jeung sora game-lan. Ki Tamtama segutsigit, anggoanana saru-rup, niron-niron pong-gawa tedak Astina. Gernu lalajo sarurak deui,kataji ku Ki Tamtama.Di Mataram mah kabéhabdi jeung pradjuritgeus pada nyaho kanakagagahan Ki TamtamaJajengrono, kapeten-gan tukang nundungmusuh, ngusir nu rékjulig dengki.

Ti lawang beulahkidul jol Ki Ukur,tumpak kuda hideung

lestreng, turangga BataraWisnu. Leumpang kudalalaunan, teu sisirig teuadéan, surup jeung anutumpakna, henteu dangongborongongong, lungguh tim-puh lir satria Kamajaja. Kitudeui panganggona éstusagala basajan, da puguhukur prajurit.***

(lajengkeuneun)

27Manglé 2469

Manglé 246928

Bagian

200

CCarita Nyambung

Peuting ka-241

Adi holipahterus nga -lelemu.Ngalap hatéNiam sang -kan gumbira.

Ngan, nya kitu, nu dibubun-gah mah, bangun teu maliré.Kitu téh, lantaran pangaruhhaténa nu sabil, sedih jeungnalangsa lantaran pajauhjeung nu dipicintana.

Haténa rumasa, salahléngkah. Rumasa teu jeungjeujeuhan, percaya ka jalmanu ngan ukur tembong ka-soléhan luarna wungkul.Ngan, geus kitu mah teu bisamajar kumaha, kari tuma -prak ka nu Mahakawasasarta ngadoa dina batinnasangkan dibéré jalan leupastina mamala.

“Untung nu meuli anjeunmah, najan kudu ngaluar -keun duit saratus rébu dinarogé,” ceuk adi holipah.

Niam teu nembal, Piki-

ranana malaweung. “Enden putri, dupi ieu

téh di mana, sareng ieu téhkota naon?” pokna kalahmalik nanya.

“Ih, naha teu apal kitu?Teu dibéjaan ku nu mawaanjeun ka dieu?”

“Teu acan!”“Ieu téh istana holipah.

Ngaran kota ieu Damaskus.”Niam kakara jinek, mé-

mang dirina téh ditipu kunini-nini. Diculik, sarta dijualka nu séjén, nu ahirna dijualdeui ka holipah. Kitu ceukpikir éta awéwé mah.

Adi holipah pamitan.Kakara isukna deui nepung -an Niam kalayan mawa pa-pakéan sapuratina. Najandipisalain ku papakéan nusakitu aralusna, haté Niammah teu sing bungah. Malah,nu karasa mah mingkinsedih lantaran geus kaciptakumaha héséna leupas tinaéta mamala. Mun enya ogémanéhna balaka, da moalaya nu mercaya, malum

dirna mah beudak beulian nuteu bisa nangtukeun kaha -yang sorangan.

Pangaruh haténa nunalangsa, Niam brék gering.Tuna dahar, tuna nginum.Mun peuting ukur cungelik,leungit pitunduheun. Atuh,sakur nu kapapancénan nga-jaga Niam baringungeun na -ker, sieun nu ditalingakeun ana kumaha onam.

Kayaan Niam kitu kaém-pér-émpér ka holipah. Mimi -tina mah, ukur nganggapwajar lantaran tumamukénéh. Ceuk pikirna, geusngaloma mah piraku sedih,da ku ayana di dinya téh jadiunggah darajat, dipikaasihku holipah.

Béak poé ganti minggu,kaayaan Niam mingkin pika-hariwangeun. Ahirna, holi-pah gé ngarasa hariwang.Mimiti wéh diubar-aber, di-tambaah ka ahlina. Tapi, nyakitu, hasilna téh jauh ti nyu -gemakeun, malah najanrupa-rupa tabib gé taya nubisa nyageurkeun.

Kacatur deui Nikmatul-lah. Saperti biasa mun tasbarangsiar téh gura-girubalik ka imah. Biasana deuih

tara leungiteun pamajikan,mun ogé teu kasampak, pas -tina keur aya di indungna.

Ti imahna, salaki Niamtéh muru indungan.Nanyakeun pamajikanna.Tangtu wé, indungna gékagét, lantran poé éta mahteu kaanjangan ku minantu -na. Enya, cenah, sababarahapoé ka tukang, minantunaménta diidina deui rék ngan-jang ka jalma soléh jeungnini-nini téa, tapi da teudiidi nan, ngan nyarek mahhenteu, kumaha karepna wé,kumaha pipikiranana. Kituceuk indung Nikmatullah.

Nikmatullah kaluar tiimah indungna, saterusnamah, neangan ka tempat-tempat ramé. Sakur nupantes jeung biasa didatang -an pamajikanan disungsi.Ngan, nya kitu, nu ditéangantéh lebeng.

Dina kayaan bingung,Nikmatullah papangih jeungsalah saurang tatanggana.Pok wéh kasusahna téh di-dadarkeun. Ari pok téh, écés,inditna Niam téh barengjeung nini-nini nu biasanyemah ka imahna.

Papanggihan kitu, jadi

29Manglé 2469

bahah keur laporkeuneun kapihak kaamanan. Atuh,harita kénéh, éta béja téhditepikeun ka bagian kaa-mananan téea, minangka la-poran. Ngan, nya kitu,sanggeus sababara poé turditanyakeun deui ka nu dila-poran téa, taya jawaban anujinek.

Peuting ka-242Lila-lila mah, teu burung

kanyahoan, leungitna Naimtéh ngalibetkeun gubernur.Atuh, geus kitu mah,Nikmatullah téh teu bisamajar kumaha. Da, kajudi,bakal susah kacida upamaéta pasualan diréngsékeunku dirina.

Tilu bulan ti satasna ka -leungitan pamajikan, Nikma-lutllah brék gering. Langsungparna kasakitna téh nepi kamatak ngahariwangkeunkolotna. Baa Nikmatullah,Rabi Hatim. Ngumaha kapara tabib. Teu burungkasakitna mah gampangpulih. Ngan, cenah, munbatinna teu diubaran, awal-ahir gé bakal gering deui.Atuh, mun terus kagege -ringan mah, kasakitna bakalleuwih parna.

Kulawarga Rabi Hatimbabadamian. Pamustung -anana, neang jalma nu lainukur pinter ngubaran, tapinu sakira-kirana bisangungkulan éta pasualan.Kabeneran deuih, nu dipen-taan tulungna tabib nu lainukur ahli ngubaran, tapideuih percéka jeung lobaakalna.

Lian ti ngubar-ngaberNikmatullah, pihak ku-lawarga gé terus néangan nungiwat Niam. Tina hasilpanalungtikan pihak ku-lawarga, mémang kanya-hoan, Niam geus aya diDamaskus, rék dijadikeunselir holipah. Ku lantarankitu, tabib gé ngayakeuntarékahna téh ku cara ngajakpindah Nikmatullah ti Kuffah

ka Damaskus. Di tempat anyar, tabib

muka toko obat. Ngahajanyéwa toko sisi jalan nu kira-kira baris kajojo ku balaréa.Da maksud nu saenya gésangkan meunang raratan nudialuruhna.

“Ayeuna mah kieu,” ceuktabib ka Nikmatullah.

Derekdek wéh medartarékahna. Initina ,mah, timimiti poe éta, tabib téh rékngaku anak ka Nikmatullah.Kitu deui Nikmatullah mun

di hareupeun jalma séjénmah, kudu nyebut bapa katabib téh. Keur Nikmtullahmah teu jadi pasualan. Nurutkana sagala saran jeung pa -patah tabib téa.

Kabiasaan jaman harita,lain ti basa nagara masing-masing, basa nu dipake kunu palinter mah basa Persia.Kitu deui tabib jeungNikmatullah, maké basasapopoé di Damskus mah,maké bsa Persia wé. Mak-sudna, nyumput buni di nu

caang, sangkan sagala omon-ganana teu gampang harti kubalarea nu aya di sabudeur -eun éta temlat.

Can gé saminggu, tokoobat téh geus kajojo, Loba nungahaja daratang ka éta tem-pat, lantaran kataji ku carananu boag toko majang obat-obatanana. Tangtu deuih,loba nu kataji téh ku panga -bisa tabib téa, nu mémanglain jalma joré-joré. ***

(Hanca)

Manglé 246930

MMimbar Atikan

Nungtut élmu nyiarluang, nyuprih pangartinambah pangabisa, étaparéntah ti nu mahakawasa, Alloh Sub-

hanahu Wata'ala.Murid atawa santri nu bihari,

jeung murid nu kiwari béda pisanbeubeunangannana dina nyuprihpangarti. Kitu nu kacaritakeun ceuk"sho hibul hikayat". Anu bihari mahtéréh bisa, babari ngarti, gampangtulur-talar.

Sedengkeun anu kiwari éstu saba-likna matak hesti; hésé ngarti, barho;ari bubar ari poho, heubtular; heuatbeurat tulur-talar.

Padahal élmuna éta kénéh-étakénéh, kitu kénéh-kitu kénéh, munlauk mah kancra-kancra kénéh. Moalboa mun teu salah eupan, useupnaanu bengsal (teu bangénan).

Ti antara eupan nguseup élmupara “ulama baheula”, guru nu ka-pungkur, murid atawa santri nu bi-hari, nyaeta hormat-khidmat katukang ngawuruk (guru). Jadi teu dis-akelaskeun jeung palayan toko atawatukang ngaladangan ka guru téh geushasil barang mah tara ieuh inget kanungaladangan.

Sayyidina Ali kantos nyanggem:"INNY 'AEDUN MAN 'ALLAMANYHARFAN WA HIDAN.”

Hartosna: “Satemenna kuringabidna jalma anu ngajar ka kuringsanajan sa huruf.”

Padahal dina kasempetan anusanés mah, anjeunna nyanggem:"JA’ALAKA ALLOHU HURRONFALA TAKUN ABDA GHOIRIKA.”

Hartosna: “Satemmena Alloh geusngadamel anjeun dina kaayaan mer -

deka, omat anjeun ulah rék jadi abidjalma lian".

Parandéné kitu, ari ka guru mah kuSayyidina Ali diiwalkeun da bonganjadi syarat metik hasilna elmu, jadieupan nguseup élmu. Keun téa mahcampelak-cumantaka ka nu jadi guru,najan loba pangabisa, sugih ku pa -ngarti, pasti elmuna moal aya bereka-han, da bongan ingkar tina dawuhRosul: “WAQQIRUU MAN TATA’AL-LAMUUNA MINKUM.”

Hartosna: “Hormat (hargaan)jalma anu ngajar ka anjeun.”

Kiwari lain sepi ku pangarti, lainsuwung ku nu berelmu, anu pintermah pajejel, sarjana pabalatak, ngannu hormat-khidmat ka guru hésénéangannana. Munasabah adzab tiPangéran tumiba ka balaréa, sabab teungahargaan ka guru, teu hormat katukang ngawurukan, éta sala sahiji ka-mashiatan nu nimbulkeun bebendonPangeran, akibat elmu ngahunyudtapi teu mangpaat taya berekahan.

Dawub Nabi SAW: "LA MAUTUQOBILATIN AISARU MIN MAUTI‘ALIMIN” Hartosna: Maot sa qobilah(sadesa), leuwih enteng batan maotsaurang 'Alim (tukang ngawurukan).

Dawuh mantenna dina katerangananu sanes: “Al ‘Ulamau aminulloh filardli.”

Hartosna: “Tukang ngawuruk(guru), Ulama téh kapercayaan Alloh(anu di percaya ku Alloh di ieu bumi".

Kitu Rosululloh SAW, ngahar-gaannana ka tukang ngawuruk (guru),ka Ulama.

Demi nu jadi udagan tukangngawurukan (guru) ti bihari nepi kakiwari ceuk rarasaan mah teu robah,angger pageuh, yén diri boga rasa di-

parentah ku Alloh, nohonan kamis -tian. Ngaping, ngajaring nya jas ma-niah nya rohaniah, anu dinaseuhseuhannana napak dina tilu hal:Kahiji: Ngawarah diri sorangan (dinangawurukan téh) Kadua : Méré conto(ka anu jadi murid/santri) Saleuwihnati éta, ngahubungkeun shilaturrahim,sinimpayan rasa ka tresna.

Dina al-Qur’an, surat At-Taubahayat 105, Alloh SWT, ngalahir:

“WAQUL I’MALU FASAYAROL-LOHU ‘AMALAKUM WAROSU-LUHU WAL-MUMINUNA” (Jeungpok caritakeun ku anjeun “Muham-mad”, prak digarawe aranjeun, engkeAlloh jeung Rosulna jeugn jalma-jalma anu Mu’min bakal ningali (merepangajen) kana hasil pagawean aran-jeun)

Perkara pangajen ti Alloh sareng tiRosulna kana hasil gawé dikala nganjalma-jalma, khususna hasil gawétukang ngawuruk (guru), disagédéng -eun teu aya pimangmangeun téh, ogésagemblengna aya dina wewenangmantenna duaan, urang sadaya yakinkalawan pinuh ku kaimanan. Ana-mung, anu peryogi buktos, kahartos,tur karaos téh teu aya sanés pangajenti papada "jalma mu'min”.

Dina hal ieu, teu sadaya jalmamu’min kagungan wewenang kanggomaparin pangajén, tangtosna wabilkhusus dikalangan papayung, paraino hong, nu nangtungan rayat. Saper-tos anu parantos dibuktoskeun kuUmar Ibni Abdil Aziz (salah sawios pa-payung agung, kholifah), anu teu kin-ten merhatoskeunnana, ngangkatharkat darajatna, tur ngajenannana katukang ngawuruk (guru), dina bagiansurat anu ditulis ku anjeunna kanggo

Jadi Udagan jeung Pangharepandi Dunya Atikan

Ku Dede Muttaqin

31Manglé 2469

para inohong (pajabat) boh nu aya diMadinah/Kota, boh anu aya di qo-ryah/daerah, eusina paréntah sangkanméré pangajén ka tukang ngawuruk(guru), dina bagian akhir suratanjeun na;

“HATTA YU’ALLIMA MAN LAYA’LAMU, FAINNAL ‘ILMA LAYAHLIKU HATTA YA KUUNA SIR-RON.”

Hartosna: Nepi ka tukang ngawu-ruk (guru) lumangsung ngatik-nga-didik murid/santri, sabab ari elmumoal sirna kajaba upama guru geusteu dihargaan. = Fathul Bary juz.1kaca. 194 = Demi nu jadi harepantukang ngawuruk (guru), ti bihari nepika kiwari moal kaluar tina perkara anubisa diperedih, dipénta. Tegesnameredih tur ménta anu jadi hakna,hoyong aya buktos ulah mung sakadarcarios supados kahartos sarta karaosmodel naon cara kumaha pangajén nukudu ditarima boh ti nu nangtunganrayat, boh ti wawakil kapercayaanrayat. Saperkawis; Syukur al-ham-dulillah, ngiring bingah. Ka adi-adi/batur akang tukang ngawuruk(guru) anu sakawitna guruhonda/kontrak, kiwari parantos robihnasib, da saleresna asa kurang panujuku ayana isti lah kecap “honor/kantrak”, sakali guru mah, tetep wéguru. Malihan dipahing tong sok

ngabenten-benten antara guru negerisareng guru swasta atanapi guru PNSsareng guru NON PNS, margi mung-guhing dina ngalaksanakeun kawa-jibannana mah sami-sami éstu teudibénten-bénten. Kitu ogé upami badéngantep moal rék ngarobih nasibguru-guru anu duka kumaha pika-payuneunnana, kantenan nu nincakumur tos langkung ti 40 taun padahalpangalamannana dina ngawuruk teukirang ti 20 taun, boh nu ngawruk disakola Negeri, boh nu ngawuruk disakola swasta, sumangga nyangga -keun badé modél naon cara kumahamaparin pangajén atanapi masrah -keun hak ka aranjeunna?

Kadua perkawisna: Mangpirang-pirang tukang ngawuruk ( guru) anukagolongkeun nasibna duka kumahapikapayuneunnana téa, parantos tiasaminuhan tur nyumponan syarat-syarat kaguruannana:

Ti kawit tamatan sakolana (S1/Ak-taIV)

Lajeng Sertifikasi Guru, parantosditempuh (Lulus). Éta diantawisna.Ampun paralun teu aya maksad nolakkana kasaéan, nampik sugri pangasih,ku ayana lungsur TunPus (TunjanganFungsional) syukur alhamdulillah,éstu katampi tur nganuhunkeunpisan, nanging ieu TunFus teu aya pat-ula-patalina sacara khusus sareng

guru anu parantos nyumponan/minuhan syarat-syarat kaguruannana,margi buktos anu teu acan ogé sami-sami pada nampi. Sumangga nyang-gakeun badé modél naon cara kumahamaparih pangajén atanapi masrah -keun hak ka guru anu parantos tiasaminuhan tur nyumponan syarat-syarat kaguruannana?

Kalihna ti éta: Mugia janten uningawiréh nu janten kasangtukangnapangna si kuring kumawani jadi guruMulok (basa Sunda), diantawisna: Ka-paksa ku kaayaan, jalaran arang-langka malihan teu aya saurang ogéguru anu sayogi ngawuruk basa Sundapangpangna dilingkungan MTs, anuantukna sim kuring kéngéng panggi-lan kanggo Uji Sertifikasi ogé dinawidang basa Sunda, alhamdulillahparantos ditempuh tur LULUS. Dupisim kuring S1 Tarbiyyah (PAl), mu-nasabah margi gaduh dasar ti Pas-antren (Mts-MA).

Pamugi dijeujeuhkeun kumahasakedahna kumaha saéna? kanggoléngkah-léngkah kapayunna, margihoyong énggal metik hasilna ngalabuahna.***

Dede Muttaqin S.Pd.I, guruhonorér basa Sunda MTs N

Ciparay Kabupatén Bandung

Guru nu teu owél ku élmu, ngawidir santri nu hayang ngarti (poto: net)

Manglé 246932

CCarita Nyambung

Haté lajunyipta-nyiptamanéhnakeur ma-maké

dangdanan pangantén. Tapiweléh hésé digambarkeu-nana. Heueuh tuda, najanmoal jauh béda jeungkumaha prahna ari dang-danan pangantén, tapi tang-tuna ogé moal sarua jeungkailaharan anu sok katemposapopoé. Pangpangna lebahrupa beungeut. Meureunanengké gé nempo rupamanéhna téh bakal pang -ling. Tarang tapak nge ning -an, halis tapak ngerok,panon meunang nyipat,biwir beureum, pipi wé nge-plak bodas ku wedak. Enya,moal sarua jeung sapopoé.Komo jeung basa keur “pa -nganténan” di leuweungmah. Tapi ari nu pang -héséna dikira-kira mahkumaha perasaan manéhnaayeuna, nalika titis tulisjatukrami jeung lalaki séjén.

Teu, saeutik gé teu karampaku kuring mah. Ngan muga-muga wé sing gancangpareum angen-angen anukungsi ngancik di manéhnasakitu taun ka tukang téh.Kuring mah ayeuna hayangnempo manéhna gumbira,sakumaha anu kungsi kaala-man baheula basa keur“panganténan” di leuweung.Mancalaputra mancalaputri.Gogonjakan suka seuri.Najan enya ayeuna mah lainkuring anu diuk ngaréndéngjeung manéhna téh.

“Yud, geus tepi. Hayuturun.”

Kuring ngalieuk. Bréhaya balandongan ngajugrugsisi jalan. Bréh deui nungalangkang sapanjangjalan.

“Nya dina wengi Salasaayeuna cuang nepangkeunpangantén, anu tadi siangparantos kapilih ku panatacalagara. Janten ieu pangan-tén téh hasil rapat saleresnamah. Malah ngalangkunganpoting sagala dipilihna ogé.

Panginten sadaya gé ngama-phum, yén tepangna ieupangantén sanés dumasarcinta, tapi dumasar asasdemokrasi.”

Ger nu lalajo seuseurian.“Sangkan teu nyangko-

long kana waktos, urang la-jengkeun baé kana runtuyanacara saterasna, nyaétabiantara pamapag ti pihakpangantén pameget, anubadé diwakilan ku...”

Kurunyung aya nunyampeurkeun ka hareup.

“Saparantosna bieuréngsé diistrénan, nyaAkang mah badé titip dirisangsang badan waé ka pa -ngantén, pamugi wengi aye-una teu janten rengat galihkumargi muncicid kabulu-san. Tapi kadé, ulah dugi kajanten silih keukeupan dilebet ténda. Teu kénging,harrrrom! Tah, ayeuna mahcuang nincak kana acaratepang sono ti papada tamuuleman mahasiswa.Mangga, pangantén ngalihcalikna ka palih ditu.Pamilon ngempel di tengahlapang. Panitia saéna mulihwaé.”

Kuniang kuring hudang,tuluy nuturkeun batur nugeus leuwih tiheula.

“Wilujeng nya, Astri.Punten teu ngado nanaonYanti mah. Ngadonangado’a wé nya. Mugia singruntut raut sauyunan.”

“Ah, mani kitu. Tiris,nyaho! Jaba cangkeul deuih.Nya, Yud?”

“Muhun, hatur nuhun.Keun, ayeuna ogé badé

dibéréskeun. Tos bosen jan-ten mahasiswa baé téh.”

Bieu gé waktu sasalamanjeung si Yanti katara semubareubeu panonna téh.

Ayeuna sanggeus pa-hareup-hareup, beuki sidikaya nu merebey lalaunan.Kuring ngalenyap sakeda-pan.

8SANGGEUS lima bulan

hahadéan, kuring karék apallamun Melani téh horénggeus dijodokeun ka anaksobat bapana. Jodo pangré -rémo, da kolotna séwang-séwangan nu boga karep.Sasatna geus dipaheutkeunti jaman nu dijodokeunanapada-pada budak kénéh.

Minangkana mah ngan-tengkeun tali babarayaan étatéh. Lantaran kolot duananageus sosobatan ti baheulamula, ti pada-pada can kuré-nan. Sanggeus itu ieu bogakulawarga, babarayaan tuluymanjang. Duanana remensilih anjangan. Tina cukangsilih anjangan, timbul baéniat ngamprokeun budaknaséwang-séwangan. Nyam-purnakeun babarayaan kucara bébésanan.

Kuring mah waktu apalkitu téh maké kungsi seurisagala. Enyaan, asa petaménak jaman tai kotok dile-buan. Manjangkeun baraya,sakalian manjangkeun ku -kusumahan. Sawaja sabeusi,jodo kudu ka pada-padarudan-radén deui, sangkanrundayanana angger radén,boga jabatan, beurat beung-

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

1313

33Manglé 2469

har, teu tuluy jadi rudin.Enya, asa lucu ngadéngé -

na ogé, basa dina hijimangsa manéhna bruk-brakperkara éta. Nyarita kitunatéh bari ngangluh, lantaranmanéhna sorangan teu sa -tuju béak karep. Tapi daangger ari nu ngarannakolot mah gedé peurahna.Piwujuk sepuh téa, ana geusragrag téh sok tara bisadionggét-onggét deui. Komodeui ieu ninggangna kabudak awéwé, anu tina jihatposisi mah kaitung héngkér.

Kuring sorangan bangetteu ngarti, jaman kiwari ayakénéh kolot anu jalan piki-ranana mendet di jamankumpeni. Ongkoh ngota, arimilih jodo nyeplés urangdésa. Padahal ayeuna téhgeus asup millénium anyar,Bung! Jaman sadaya-dayakumaha nu dibendo mahparantos lami liwatna ogé.Orde Baru nembé kamaripisan réngsé makalangan,saatosna dioyag-oyag ku ra-hayat.

Kuring mah nyahonakana jodo pangrérémo,kawin paksa, atawa naonwaé lah ngaranna, ukursamet tina sinétron.

Émbohna tina bukuroman Malayu heubeul anusok dipaké bahan ajar matakuliah aprésiasi sastra. (Tarangahajakeun hayang macasorangan. Da nyaho, teuramé eusina ogé. Jababasana matak lieur.) Kitudeui di alam nyata, asa cankungsi manggih bung -keuleukanana (ari lainsamet dungéng-dongéng nukatarima di tengah jalanmah). Apa jeung Emanyalira -enya, kolot kuring-amprokna téh apan lantaranbatu turun keusik naék téa.Padahal mah duanana ogédibabarkeunana jauh tangéhka kamerdikaan.

Ari taun dirapalananaampir bareng jeung pemilunu kahiji. (Basa kuring lahir,

yuswa Apa ngagayuh ka opattilu). Tangtuna ogé dinajaman harita kolot manéhnamah masih kénéh mamakécalana kodok, ulin diburuan,kumaha prahna budak leu-tik. (Da Melani téh cikal tiopat sadulur).

Tapi satuluyna mah radaeungkeut-eungkeut kahartiogé. Kuring inget, yén dinangaran manéhna soranganaya ngaréngkol kecap

kusumah. Melani RiantiWiryakusumah, éta apanngaran lengkep manéhnatéh. Heueuh, mana kitu gékaruhunna téh ménak bo-longkotan –duka wadanaduka nanahaon. Da maenyateuing ari jalma biasa makéngaran kusumah-kusumahkitu mah. Kuriak diseung -seurikeun batur. BapanaMelani –anu sarua makéngaran kusumah di tukang -na- kaselir minangka paja-

bat di lingkungan pamarén-tahan propinsi. Kitu deuipimitohaeunana –malah ieumah di pusat ngajabatnatéh. Ari picaloneun salakinasakola di... STPDN! Cin-dekna, duanana ogé bijil tikulawarga pamong praja.

“Jadi kumaha atuh?” cékmanéhna bari ngarahuh.

Kuring ukur ngarénghappanjang, teu ngawalonnanaon.

“Naha teu ti basa éta Melnyariosna? Puguh pan kieubuktina ayeuna mah. Tosbaseuh lamun ngojay téamah,” cék kuring laun,sanggeus ngarénghap deuipikeun anu kadua kalina.

Na jero haté mah radanyalahkeun ogé ka manéhnatéh. Heueuh, naha karékbruk-brak ayeuna atuh.Paingan unggal dikolonganhayang nganjang ka imahnamanéhna sok tara méréan

waé. Horéng kitu geuningjujutanana téh.

“Rumaos, Mel lepatlebah dinyana mah. Tapi dabadé diwartoskeun ayeuna,kamari, atawa basa éta,raraosan mah asa samiwaé.”

“Muhun, upami kitumah naha teu nyarios timimiti waé?”

“Nu dimaksud mimititéh iraha? Saméméh uranghubungan, atawa saatosna?Pami enya kapungkur terangMel tos dijodokeun, nahaYudi angger bakal ngadeu -keutan Mel?” manéhnaanggur malik nanya.

Kuring ngabetem deui.“Tadina mah susuganan

si Papap rada leuleusmeueusan. Da Mel téh tosdéwasa. Tos badé duahijiyuswa gé. Kuliah sakedapdeui bérés. Kénging meu -reun lamun Mel gaduhpamilih sorangan. Peupeuri-heun nuju SMA mah sok di-halang-halang waé. Tapiangger wé keukeuh peu-teukeuh. Malah asa tambah-tambah, kétang,” cék ma néhna deui.

Huleng waé duaan ting-haruleng. Manéhna nang -geuy gado, neuteup ka lebahjalan anu wuwuh macét kukendaraan. Kuring mahngadon tatanggahan barisakapeung ngarérétan kamanéhna. Najan tadi bisaseuri heula, teu burungkarasa aya nu ngahéab ogékana dada.

Calon camat cénahlalaki na téh. Sakolana diSTPDN. Maké panasaranhayang apal sagala ka jelem-ana. Enya, ka si calon camattéa. Siga kumaha ruru-paanana. Pipanteseunanatéh buukna cepak modélmilitér, maké seragam po-tongan ngetat. Unggal pang-gih jeung senior tara leupasti saluir hormat.

(lajengkeuneun)

”A, dupi Aa kantos nga -raosan barger?”

”Barger, ager meureun! Lainkungsi deui Aa mah ngagémosdisebutna ogé ka nu kitu mah.Naha manéh bet nanya kitu?”

”Ager mah nu sok diider -keun ku Mang Soyon, ning se -ring nga langkung ka dieu, nungadamelanana Bi Erum di bu-mina. Encid ogé terang ti kawitngadonanana dugi ka nyitakna.Ieu mah barger, A. Aa uninga?”

”Nyaho siah! Piraku Aa teunyaho nu kitu-kitu acan. Lainbarger, ager éta téh sabenernamah da manéh mah sok dédé -ngé tara. Ngadéngé ti saha agerdisebut barger?”

”Barger, A bar ger, diseratnatéh eb bar bar eg ger ger, barger.Terang ti Si Bucir Encid mah, SiBucir dipaparin barger saciwitku Dén Arom putra Pa ÉrwéEjim ..”

”Pa Jim lain Ejim.””Sumuhun anu didamelna

di bang. Tilas nyepengna ku SiBucir téh teu diséka teu diwa-suh, diasong-asong kana irungEncid, ’Urang mah tas daharbarger siah.’ saurna. Mani seu -ngit téh, A bénten sareng angseuager Mang Soyon. Da apan bén-ten, barger barger , ager MangSoyon ager Mang Soyon.”

”Manéh geus nempo kitujiga kumaha rupana?”

”Seeering atuh da sering te -pang, sakarupi sareng Aki Juhéjangkung alit-jangkung alitnaogé mani nyeplés bubuhanMang Soyon téh apan putra AkiJuhé.”

”Aa mah nanyakeun rupabarger, Kencid lain nanyakeunrupa Mang Soyon!”

”Hé hé … Eu anu kaimpleng

ku Encid mah teu tebih ti curukSi Bucir wé rupi barger téh margiapan anu kaangseu seungitnaogé curuk Si Bucir nu diasong-asong kana irung Encid. Manileucir, tilas lisah tina bargerongkoh tilas dilamotan ongkoh.”

”Ih ararijid teuing!””Na da kaangseuna mah

mani seungit, A.””Ah saseungit-seungitna ogé

curuk budak bedegul. Ih gareu -leuh, urut ngorong urut naon.”

”Da anu ditaruang mahsanés curukna, burgerna. Moalarijid margi barger mah bung -kusna ogé kantong keretas di -saé-saé digambaran jalmi nujuimut, rupina mah nguningakeunwiréh barger téh raos pisan.”

”Nempo di mana manéhbung kus barger?”

”Ningali di téras bumi PaÉrwé Ejim ….”

”Jim!””Sumuhun, nuju digulang-

gapér ku Si Suiti, ucing jabrigDén Arom sawaktos-waktosdiang seuan diseuseup dugi kapeu reum-beunta.”

”Wah boa barger téh parabucing meureun, Cid kaya kitumah.”

”Ah sanés, A da pangaosnaogé mani awis langkung-lang -kung ti pangaos kéré jaér sarengtambusu.”

”Ih nu baleunghar mah pa -ra b ucing ogé marahal leuwih-leuwih ti harega kadaharanurang-urang.”

”Katuangan Aa mah li -mus?!”

”Lain kadaharan Aa, Kencidkadaharan urang saréréa! Paistahu, kasréng, seupan léjét,sepan kacang peda, ceplokendog …, haregana téh mahal

kénéh parab ucing.””Euleuh, boro Encid badé

nyuhunkeun dijajap ka Aa nga galeuh, hoyong ngaraosan.”

”Naa kadedemes teuingmaké hayang ngasaan parabucing!”

”Sanés parab ucing, A ho -yong ngaraosan barger Encidmah kabita ku seungitna.”

”Montong siah bisi matakkaturelengan!”

”Weureu, A?””Lain weureu, Cid kapaéhan

téh balas ngajenghok tempomayar mahal pisan.”

”Ning Aa uninga pangaos -na.”

”Pan bieu ceuk manéh bé-jana haregana mahal pisanleuwih ti kéré tawés.”

”Kéré jaér.””……………………………….....””Dupi Ceu Némah tiasaeun

kitu ngadamel barger?””Ceu Némah pamajikan

Kang Umin? Moooal, Cid damanéhna mah tukang ulén.”

”Sawios babargeran wé atuhmanawi pangaosna moal awisteuing.”

”Is teu meunang sagawayahbarang jieun kadaharan mah,bisi salah bungbu! Hayoh waéhkéh tempo dihékak matakjéngkoleun. Teuing mun nanya -keun ka Téh Héni mah geura,Cid pantesna téh bisaeun nyieunbarger.”

”Moal, A pan Téh Héni mahkasenengna ogé seupankangkung sareng sambel kemir.”

”Hih pan barétona kungsisakola di Aliyah.”

”Dupi di Aliyah diwulang -keun ngadamel barger kitu, A?”

”Lain kitu, sahanteunasakola di Aliyah mah pan loba

babaturanana urang kota, sugansaurang-urangeun aya nubisaeun nyieun barger, Cid.”

”Kumaha upami naroskeun -ana ka Ceu Enit?”

”Wah barangasan Ceu Enitmah! Mending ka Téh Héni.”

”Wegah ngalangkungangangna, A Encid mah ka bumiTéh Héni téh, aya soang galaksok nyuruntul badé ngalodok.Soang Pa Barki .”

”Sok salah waé manéh mahnyebut ngaran batur téh. PaBakri lain Pa Barki!”

”Sanés lepat Encid, A lepatPa Barki wé bet sesah-sesah je-nengan Pa Barki, padahal nugampil wé Pa Barki teu kedah PaBarki. Sareng saéna mah teukedah ngingu soang deuih supa-dos Encid teu dilodok.”

”Ké ku Aa dipanginjeum -keun sapatu but ka Bi Enjuh,Cid. Dilodok ogé moal kua-kieumake sapatu but mah.”

”Uo! Alim ah, sapatu but BiEnjuh mah bau asin cucut.”

”Geus lah mending ka TéhHéni ceuk Aa mah, Cid baumeueusan mah jamak tahanwé!”

”Katawisna mah Aa ogé ho -yong ngaraosan barger yeuh.”

”Henteu siah! Paur weureuAa mah ngadaharna ogé.”

”Ning sapertos anu ngajuju-rung pisan ka Encid kedah kaTéh Héni!?”

”Pan mun manéh ka ditusakalian Aa mihapé surat.”

”Heu heu … Teu kapok kitu,A? Sanés upami kauninga kuCeu Enit Aa nyeratan ka TéhHéni téh sok dirogahala dugi kabarengep?!”

”His ulah geruh, Cid!!!***

BargerKu Budi Riyanto Karung

Manglé 246934

MEUPEUS KEUYANG

“Bah Aceng, eureun heula atuh!”ceuk Sobirin nu keur ngadekdeknyieun jojodog tina kayu bahbir.

“Ih,.... puguh deuk nyimpang ieuge, sugan bae aya kopi jeung Jacok”tembal Bah Aceng bari ngaleokmengkol ka imah Sobirin nu teusababaraha jauh ti jalan satapak.

“Can ngopi kitu tadi isuk?” cek So-birin ngaheureuyan Bah Aceng nuhirup ngaduda aya kana tilu taunna.Puguh Bah Aceng teh kaasup jalmagoreng nasib, geus lima kali kawin tapitaya anu awet hiji ge. Lalaki cikalna, nuopat mah kabeneran awewe kabeh.Anak cilak jeung anak kadua katilugeus rarumah tangga, tinggal dua deuianu can kawin teh. Ayeuna Bah Acengteh hirup nyorangan di saung kebonHaji Madropi, itung-itung tunggukebon bari pepelakan rupaningcau,sampeu jeung suuk. Mun aya nunitah macul boh ngored teu burung dilalakonnan da kasurung ku butuh tea.Kitu deui ku Haji Madropi sok dititahngalelencaran gawe di sawah boh dikebon, sangkan nu garawe teh teu me-lencing. Nya minangka upahna tehmun panen sok meunang bagian pareti Haji Madropi sakarung dua karungmah. Cukup eta ge sakalieun soranganmah ti panen ka panen teh.

“Boro-boro ngopi, keur kosongpuguh di saung teh,” tembal Bah Acengbari gek diuk dina golodog. Keur gun-treng ngobrol ngaler-ngidul, torojol BiEmeh mawa kopi dua gelas ngebulkeneh. Kituna mah surtu Bi Emeh teh,karunyaeun ka Bah Aceng nu hirup ny-orangan bari teu boga imah-imah acan.Tapi sanajan kitu anak-anakna nu geusrarumah tangga teh sok aya ngalon-gokan kolotna bari nngirim kadaharansayaya-aya.

“Bah Aceng, ari kamari lain ayalanceuk di dinya, Bi Arsah, nu diJakarta?” cek Sobirin bari rada ceung -kat.

“Enya, aya... aya naon kitu?” BahAceng malik nyanya semu nyureung.

“Atuh ngirim oleh-olehnya?” ceuk Sobirin nga-heureuyan .

“Enya, ngirim oleh-olehtea mah, tapi...” tembal Bah Aceng tapinyaritana teu diteruskeun.

“Heueuh tuda, abong-abong kajalma anu teu gableg tur sangsarasaumur-umur, cil atuh mun balik kalembur teh nyamperkeun ka saungkuring. Ieu mah kalah ngendong diimah sipat adi Si Mimin. Padahal tiimah Si Mimin ka saung kuring teh teusababaraha jauh ieuh, ukukr kahalang -an ku balong Pa Haji. Naon hesenanyampeurkeun ka kuring, nanya bejaka adi sakandung. Ieu mah palias, nepika balik deui ka Jakarta, kuring teu di-anjangan, komo ditanya beja mah. Ayaeta ge ngirim Jeruk Garut sakeresekkira aya lia siki mah. Ku kuring etajeruk diantep wae nepi ka manehnamulang deui ka Jakarta” ceuk BahAceng ngemu kakeuheul.

“Ayeuna jerukna aya keneh nyah?”“Boro-boro... beak dileyek teu dida-

har hiji-hiji acan” tembal Bah Acengbangun ceuceub naker kanu jadi du-lurna.

“Ah,... Bah Aceng mah teu lebareunJeruk Garut pangirim dulur nepikadileyekna. Mun dibikeun ka kuring,meureun di dahar dimangpaatkeun”ceuk Sobirin milu manglebarkeun.

“Keuheul tuda, itung-itung meu-peus keuyang bae. Rek ngambek kajalmana kalah geus balik ka Jakarta”tembal Bah Aceng bari leguk-leguk ng-inum kopi panyodoran Bi Emeh.

Ayah KawunglarangRancah 46387

Duh AngkotTurulut hape disada. Dibuka. Bray

sms ti Ki Dulur, Kang Émha.“Énjing urang ka Manglé, urang

bahas tugas téa. akantenan akang ayaperlu ka Téh Tuti,” pangajakna semunu nitah.

“Siap. Tabuh sabaraha? Saha waé?”“Jam salapan wé!” balesan singket,

teu nyakup kana sakabéh pananya.Gusat-gesut mérésan pagawéan

imah, da ceuk sms ge jam salapan kudu

geus aya di Manglé. Rét jam katém-bong pukul dalapan saparapat. Duhcan bérés kénéh waé. Gap kana hape,jempling ti isuk can nyora. Bérésmasak, kukumbah wadah da bisi dipi-damel ku Ema. Gebrus mandi. Cakah-cikih dangdang. Turulut hape disada.

“Di mana kénéh? Akang tos dugi.”Cenah pas jam salapan.

“Siap meluncur.” Singket bari inditti imah.

Angkot nu biasana ngetém ngajajarhareupeun gang euweuh hiji-hiji acan.Gedig ka parapatan, néangan angkotlian. Jol, kabeneran kosong. Clak, biurka Jalan BKR-keun. Eureun di Tega -lega. Ngetém salila-lila. Cle, panum -pang unggah saurang.

“Meni lami. Di mana kénéh atuh?”sms deui kawas nu geus teu sabar.

“Lami angkotna, ngetém. Sebel!”Angkot maju, alon. Supir tunga-

tengo ka kénca ka katuhu. Reg eureundeui hareupeun Jalan Samsudin,nungguan budak sakola liwat. Ngetémdeui. Haté mentegeg. Kieu ari diru-rusuh téh. Geus puguh euweuhpenumpang biur angkot maju deuirada tarik. Nepi ka UNLA eureunsakeudeung, aya nu turun. Maju deuiméngkol ngétankeun. Asup ka JalanMacan reg eureun, kalacat saurangpanumpang. Teu langsung maju, supirngageroan tukang roko, gap sabatang,cekés-cekés pelenyun udud. Bius, teueueureunan deui nepi ka Palasari.Hape disada, teu ditempo, diantepkeunbaé da pasti ti Kang Émha deui.

“Kiri!” cékéng téh bari ngasong -keun ongkos.

Rét kana arloji, duh pukul sapuluhleuwih sapuluh. Gedig ka TalagaBodas, ka Manglé-keun.

“Euleuh-euleuh jam satengahsabelas karék datang.” Kang Émhajeung Kang Hikmat ampir bareng.

Teu loba cacarita ngan ukur ha-hampuraan alatan datang telat pisan.Laptop buru-buru di kaluarkeun tinatas. Tuluy dihurungkeun. Keretas ba-haseun dibagikeun.

Jep jarempling. Jongjong macakertas séwang-séwangan. Duh angkot.Duh hampura Ki Dulur, sanés badéjalir kana jangji. Gerentés haté barimésem.***

35Manglé 2469

MH 370“Media Malayu nuding pa-marentah Indonesia geusnyumputkeun data ngeunaankapal udara MH 370 nu cenahkungsi aya dina radar Indone-sia. (Teu apaleun lamun anudisebut radar di Indonesiamah cai dina baskom, bari di-menyanan. Dukun wae kun-yam-kunyem mapatkeunjampe pamakena)”

Awi AwaludinSunda Upi

Setiabudi - Bandung

Salingkuh“Datuk Abdullah bin Mustafa,urang Kuala Lumpur. Pamitka bojona rek ka Beijing, ayaurusan bisnis. Cenah rek makekapal MH370 ! Padahal mahteu kamamana. Saenyananyanehna teh ngadon mondokmoek di apartement saling -kuhanna, di Kuala Lumpurkeneh. Barang aya beja pe-sawat MH 370 ilang, nyaneh -na bingung balik. Da can

kabejakeun aya penumpangnu salamet.”

Awi AwaludinSunda Upi

Setiabudi - Bandung

Segitiga Bermuda“Lain wae di batur geuning ayasegitiga bermuda teh, horengteu jauh di urang oge aya. Etabuktina kapal udara MH370teu kapanggih laratanana.”“Heueuh, boa-boa nya basaOrba oge loba jalma kacari-takeun leungit dikarungan tehdipiceunan ka dinya.”“His! Ari ngomong teh sok teudisaring!”

Awi AwaludinSunda Upi

Setiabudi - Bandung

Lauk"Mang meuli lauk cupang hijianu hade, bae mahal ge. Naonnu kamari mah elehan wae.""Har! Ari kitu diadukeunjeung cupang nu kumaha

kitu?"Lain jeung lauk uing mahngaduna ogé mang! Jeunghayam bangkok."

Noor MulyaniAntapani No. 23

GaringOon : Néng, mun tos hujan dabiasana sok aya katumbiri.Nyai : Di mana kang?Oon : Di mata mu.Nyai : Yéy…, ngarayu téhmeuni garing.

Noor MulyaniAntapani No. 23

FacebookIim : Gaduh facebook teu?Odong : Gaduh atuh.Iim : Cing abdi nyungkeune-mail-na atuh.Odong : Ngeunah we menta.Meuli atuh…!Iim : Harr…

Ella KartikaSasak Gantung-lengkong

Gaduh HatéOmoh (gumelis) : Da saleresnamah, ti kapungkur Omoh téhgaduh haté ka Aa.Ujang : Nya alus we ari gaduh

hate mah, da lamun henteupasti maot.Omoh : Harr?? (hulang hu -leung)

Ella KartikaSasak Gantung-lengkong

ObéngAa : Pang nyandakkeun obéngkembang.Teteh : Siap!!!Teu lila…Aa : Mana obéng kembangtéh? Ning ieu mah obéngbiasa.Teteh : ieu kembangna mah,ku abdi diselipkeun dina ceuli,geulis nya kang?Aa : Nyaho ah lieur!

Meta MeliaJl. Banteng No. 122

MabokUstad: "Yeuh, ulah mabok waéatuh haram. Maneh nyaho teuakibatna loba nginum mataknaon?"Pamuda: "Terang!"Ustad: "Naon akibatna teh?"Pamuda (teu kireum-kireum):"Beser...!Ustad (ngaleos): "Abong nukeur mabok."

Meta MeliaJl. Banteng No. 122

Manglé 246936

Kahujanan+ Naha maneh baraeuh kitu?- Kahujanan, gedé pisan.+ Pan maneh teh dititah mawapayung.- Mawa pak.+ Mana payungna?- Ieu payungna. (bari ngaluar -keun paku payung)+ Lah nyaneh mah teu ramengabodor teh.

AfrilianiJl. Bima No. 113

JalantahEma :Ku naon ari manehcudah-ciduh waeJang : Ieu, ma. Uing tadi tehtos emam jeung jalantah, tapimana bet sararebel kieu?Ema : Haduh siah!!! Lainjalantah eta mah, tapi minyakurut ngerok bapa maneh..Jang : Paingan!!!

AfrilianiJl. Bima No. 113

DiboncéngIbro : Ni, nyepengan singpageuh nya?Nini : "Heu'euh ieu gé eukeur!Ibro nyetater motor, gerungmotor di gas, juralit! Gedeblugsi Nini ujug-ujug labuhnangkarak bengkang.Ibro : "Astagfirulloh nini! Pansaur abdi ge nyepengan singpageuh!Nini :"Pan nini ge geusnyepengan, tah kana tihanglistrik!Ibro : ???

Agus Hiftah FJl. Cibiru No. 88

KedulOon : Maneh geus kabagancan? Beben (haripeut) : kabageannaun kitu?Oon : Gawé…Beben : Teu hararayang teu-ing!!!

Agus Hiftah FJl. Cibiru No. 88

Klub “Di Eropa mah, ngaran klubsepak bola teh make ngarankota, ari di urang mah mahmake ngaran perper-an.”“Enya matak teu aneh munprestasina oge per per per, daprestasina oge sarebu persen -na ti maen bal di batur.”

Ajid Barkah Kp. Caringing –Ds. Babakan Sari Cipeudeuy

Cianjur

Wasit“Mun keur maen bal, ayasaurang nu teu bisa diganti kunu lain. Teu bisa oge dikartumerah! Naon cing?”“Palatih pasti!”“Salah, masih bisa dikartumerah. Nu bener mah wasit!”

Ajid Barkah Kp. Caringing –Ds. Babakan Sari

Cipeudeuy – Cianjur

Lampu Setopan“Ceuk uing mah maen bal tehkainspirasianana lain ti Ing-gris nu ngakukeun nenek mo -yang sepak bola. Nu puguhmah ide sepak bola teh tinalampu setopan. Geura sok tite-nan. Lampu setopan baluleud(jadi bal), lampu hejo, koneng,jeung beureumna jadi kartunu dibabawa wasit. Piriwitnaoge tina piriwit nu sok dipakepolisi lalulintas. Leres teu jura-gan Goeroe Pangsioen?”

Ajid Barkah Kp. Caringing –Ds. Babakan Sari

Cipeudeuy – Cianjur

Milih PresidenRoni: “Rek milih saha manehengke?”Bani: “Uing mah rek milihpresiden teh nu euweuh gam-bar calegna dina spanduk sisijalan, nu euweuh iklanna ditelepisi, nu teu ngamumurahjangji, jeung nu teu mereduit!”Roni: “Mun euweuh?”Bani: “Duka tah!”

Hasan Basri RamadanSastra Sunda Unpad

Jatinangor

CalegRoni: “Keur nyinghareupanpilihan umum, cenah disa -babaraha daerah rek di-ayakeun rumah sakit jiwa nudihusukeun pikeun caleg nuteu kapilih!”Bani: “Matak uing mah em-bung mun kudu jadi caleg tehari resikona matak gelo mah.”Roni: “Enya, tapi mun kapilihcenah bisa jadi raja dunya.”

Hasan Basri RamadanSastra Sunda Unpad

Jatinangor

Jadi Anggota DPRRoni: “Uing mah weleh teungarti. Cenah ceuk beja tikalakay jadi caleg atawaanggota DPR teh kudu nepi kabeak modal puluhan milyar.Ari gajih caleg atawa anggotaDPR teh apan mun dikalikeunsapriode ngajabat teh moalnepi ka puluhan milyar.Lamun kitu mah atuh rugi,gede modal leutik bati. Asa teuguna gawe.”Bani: “Itungan kitu teh ceuknu teu ngarti jeung nu awam,ari ceuk ahlina mah lain kitu!”

Hasan Basri RamadanSastra Sunda Unpad

Jatinangor

Foto Spanduk“Uing mah heran, naha fotodina spanduk caleg bet sareurikabeh.”“Apan ameh dipilih! Sok munaya spanduk caleg nu baeud,ku maneh arek dipilih kitu?”

“Arek ku uing mah. Mun nubaeud eta tandana sadar kananaon nu rek dilakonanana.”

Andi GunawanJl. Cimanuk No. 98

Garut

Tips Pemilu“Urang Sunda mah teu kudugolput, da boga tips warisankaruhun pikeun nangtukeunpamingpin teh.”“Naon tea? Naha kami teuapal!”“Pipamingpineun mah kudunu cageur, bageur, bener jeungpinter. Mun sipat nu opat etanyampak dipara calon, karekpilih.”

Andi GunawanJl. Cimanuk No. 98

Garut

Siga Milih Kabogoh“Cenah ari jalma nu nyakolamah, mun pemilihan umumteh teu asal, tapi gede pisantinimbanganana jeung pehi-tunganana. Caleg jeung pipresideneun tehkudu puguh babat, bibit,bobotna. Ngarah engke dina mingpingnagara teh jadi nagara anusamawa!”“Ke, ari maneh teh keurngomongkeun pemilu atawakabogoh?”“Duanana!”

Andi GunawanJl. Cimanuk No. 98

Garut

37Manglé 2469

NGALERESKEUN

Neda tawakup ka nu kasinugrahan hadiah

hahaha anu sinerat dina nomer 2468,

réhna éta hadih téh sanés dua ratus lima

puluh rébu rupiah saurangna, nanging sara-

tus dua puluh lima rébu rupiah saurangna.

Mugi maphum kalawan henteu deu -

deupeun.

Manglé 246938

SSambungan ti kaca 21 & 23

imahna, palita nu dipasang -keun dina tungtung ran-catan wadah kurupukkatémbong kucap kiceupenyay-enyayan.

“Tah, ayeuna namdeukeutan imah NéngLilis!” Ceuk Oyoy barinepak taktak Iping.

“Jig wé atuh sorangan!”“Euh, Puguh déwék

ménta tulung pangngetro -kankeun jandéla kamarna!Ngadéngé sora manéh mahmoal teu dibuka geura!”Mun caang meureunkatémbong atra yén beu -beungeutan Iping haritaujug-ujug jadi rey euceuy.Tétéla Oyoy geus nyahoeunti tadina yén Néng Lilis téhboga rasa ka Iping.Sanggeus maranéhna pada-pada deukeut jandéla ka-marna Lilis, Iping ngetro kan jandéla.

Trok....trok....! Jempésajongjongan, taya nu ném-balan. Nalika ngaduakalianngetrok jandéla, kapirengrekét rekét sada aya nungaléngkah ngadeukeutan

jandéla.“Saha...?” Sora awéwé

nu ngajawab bet halimpunaker.

“Kuring...!” Ceuk Ipingnambalang. Kulutrakjandéla aya nu mukakeun.Sabot kitu, Oyoy taki-takihanjat tuluy kalacat naékkana jandéla nu geus muka.Sanggeus jandéla nutupdeui, pes lampu di jerokamar katémbong aya numareuman. Rekét rekétsada aya nu arunggah kanarisbang jeung sora Oyoy nukapireng haroshos radangosom. Geus kitu mahIping ngalanggéor balikdeui ka lembur Cibitung.Rék milu ngalempengkeuntonggong jeung barudakOKD nu geus miheulaannyegrék.

Dua poé ti harita, isuk-isuk di kantor Markas TKR.Sersan Odi keur uplek ngo-brol jeung Iping. Tétélamaranéhna keur natahar -keun penyerangan kagorombolan anu cenah ceukbéja ti mata-mata bakal

lugay peuting ayeuna.“Tah, wayahna pingpin

barudak OKD Karang Anyarku manéh wé Ping, dakabeneran si Yayat KapalaOKD karang Anyar keurkatarajang incok cenah.Engké manéh megat ditonggoheun lembur, lebahlawang nu rék ka leu -weung.”

“Mangga waé Pa,” ceukIping. Keur kitu jol Oyoy nukarék datang nempasobrolan.

“Lah, ké deui wé manéhmah Ping, keun peutingayeuna mah ku déwék wé.Kumaha Pa?” Tétélamanéhna geus mirengobrolan Sersan Odi kaduaIping saméméhna. Ipingmah geus aya teg, pasti SiOyoy nu hayangeun ming-pin OKD Karang Anyar, sa-henteuna balikna bisanganjang heula ka imahLilis.

“Nya… éta mah kumamaranéh wé, saha-saha gésarua baé,” témbal SersanOdi.

“Kumaha Ping?”“Enya hég waé rék

silaing mah, keun déwékjaga di palebah Ciminyak

wé.”“Siap lah, aman…!”

Pokna bari sura-seuri.

***Isuk-isuk téh teuing ku

hadé poéna, najan caangbéngras tapi angin leutikmawa tiis. Daun cau sapan-jang jalan nu oyag-oyagan,teu ieuh dipiroséa ku nungabring ka tungtung lem-bur. Abringan téh dilu-luguan ku Haji Sodiq,tukangeunana Iping nu-turkeun bari nanggungpasaran na taktakna. Dijero,Oyoy ngan kari ragabadagna. Taya ci tangis nukapireng, taya inghak numarengan. Jaman harita,kasangsaraan leuwih ilaharbatan kasenangan.

Papastén ti Gusti di-tarima kalawan sadrah.Mayit téh dijajapkeun kabasisir kubur ku kaayaananu simpé, ngan sora HajiSodiq nu ngadunga gege -renyeman. Geus kitu mahabringan téh bubar, nuhirup leuwih pikiraneunbatan nu geus taya diki -euna. ***

Bumi Kinara, 16 Maret 2014

jeng Dalem keur ngaba-heuhay dina korsi. Inyanangarasa lungsé sanggeusmingpin riungan.Sedengkeun Mas Purwa,laceukna anu jadi pana -séhatna masih kénéh uplekngobrol jeung sababarahaménak teu jauh ti padale-man. Ki Purwa keur diuk,teu kanyahoan ku sasahableg Ki Soma némbongkeundiri, nangtung hareupeunDalem Cianjur.

“Yeuh rasakeun Dalem,kapeurih kaula, baris diba-yar ku nyawa anjeun. Hayuurang paéh babarengan,ngababatang papada teubisa mibanda Apun,“ cék KiSoma, kituna téh bari tuluynubleskeun condre ka lebahjajantung Dalem.

Dalem ngagiwar saeutik,antukna condré keuna kanapatuanganana. Atuh burialgetih kaluar tina patuanganDalem, bareng jeung peujit-

peujitna.“Mas Purwa, naha cari -

cing waé?“ cék Dalem barigegeroan ka lanceukna.

Anu digeroan reuwasenkacida ningali adina aya anunandasa. Teu kasawangsaméméhna, Ki Soma baliknyerang ka Mas Purwanubleskeun condré. Nganweléh teu neurak-neurak.Beuheung Ki Soma laju di-parieuskeun. Condréna dire-but ku Mas Purwa bari tuluyditublesken kana geng-gerong jeung jajantung KiSoma. Sababaraha kali. Cer,getih mancer. Ki Soma teu

lila tiwas sapada harita.Layonna laju dicacag ku

hulu balang, diparabkeun kaanjing édan di sisi alun-alun.

Dalem Cianjur anu balo -boran getih, wanci sareupnalaju perlaya. Layonna diku -rebkeun di kampung Pamo -yanan, sagédéngeun makamDalem Tarikolot, ramana.Apun Gencay wanoja geulisanu jadi rebutan ménak, teulila balik deui ka lemburnadi Cikembar. Gawéna nganhuleng jentul waé, nepi kagering parna. Teu lila maotmawa duriatna anu teukungsi kebat. ***

DURIAT APUN ........

Tanjakan..........

DDongéngAkiGuru

Baréto... baréto pisan ayadua santri nu geus lila mukimnyuprih élmu di salah sahiji pa -santrén anu geus kasohor keurguntreng nyawalakeun masalahélmu tauhid.

“Cik pamanggih éntékumaha saur Mama Ajengan,singsaha anu loba dzikir kaPangéran, maranéhna bakaldibéré rejeki ti tempat nu teudisanggka-sangka?” ceuk Luk-man santri nupanggedéna ka so-batna Sabar. Umurna géséh tilutaun.

“Kantun kumaha kayakinanurang. Pan saur Pangersa Mamaogé sing saha anu saé sangka kaGusti Alloh. Pasti sapanejanabaris dikabul!” témbal Sabar.

“Tapi ceuk ana mah dzikirkudu! Tapi angger kududibarengan ihtiar. Da moal enyaaya rezeki ragrag ti langit. ” ceukLukman.

“Ari pamendak ana mahyakin. Sanaos mung ukurngadukduk wirid di Masjid pastidipasihan rejeki. ” Sabar maniyakin.

“Ké kumaha énté maniyakin kitu! naha geus pernahnyobaan? Angger ceuk ana mahkudu dibarengan usaha. Malahloba jelema anu tara dzikir arigiat arusaha mah, baleungharloba hartana.” Ceuk Lukmankeukeuh kudu usaha jeungngadu’a.

“Teu acan ari nyobian mah,Tapi da piraku Gusti nyulayaanjangji-Na.” ceuk Sabar.

“Ayeuna mah kieu ! kumahamun urang buktikeun!” Lukmansiga nu nangtang.

“Dibuktoskeun kumaha?”

pikirna ku aya-aya waé. Nahamani siga anu was-was.

“Engké beurang urang peréngaji. Ulah sarapan heula! Baribeuteung kosong tong mawabekel. Urang indit ka LemburPeuntas.”Lukman tatag pisan.Harita bada subuh.

“Teras?”“Enté ! cicing di Masjid Pe-

untas, dzikir wéh tong kamana-mana. Naha enya aya rezekiragrag ti luhur langit? Kula rékusaha ikhtiar néangan rezeki,”ceuk Lukman

“Sabara dinten?” Sabarnanya panasaran.

“Dua poé wé lah bisilanglayeuseun. Kumaha satuju?” Ceuk Lukman, Pikirna ka -kuat an jelema bisa kuat nahanlapar jeung nginum salila duapoé mah.

“Insya Alloh satuju! Έnjingsateuacan magrib urang tingalihasilna.” témbal Sabar.

Duanana mérésan bajujeung sarung keur salin. Bus di -supkeun kana kantong kanéron.Sanggeus ménta idin ka kokolotsantri dua poé peré moal ngaji.Basana aya perlu heula. Teumarawa duit bekel. Wanci duhamaranéhna tepi ka Masjid lem-bur Peuntas. Sepi kayaan masjidtéh. Apanan ti beurang mah di-garawé di sawah atawa di kebon.Bérés solat duha Sabar mahterus diuk bari dzikir. Ari Luk-man kaluar rék balangsiar bariteu elat biwirna mah dzikir. Teujauh di tungtung lembur aya nukeur ngariung deukeut saung.Aya nu nyuhun tolombong,ngélék dingkul aya nu manggulkarung. Lukman nyampeur -

keun.“Punten nuju naraon ieu téh ?”Lukman nanya ka kolot anuawakna bayuhyuh.

“Rek panén cabé. Ngan ieukurang jelema. Mangkaningcabéna geus arasak.”

“Kumaha upami badé nga-bantos , tiasa ?” Lukmannawarkeun jasa. Si Bapa Gendutkacida atohna aya nu mantuan.Saterusna cakah-cikih ngatur nudigarawé nu mana heula nukudu dipanén. Kaselang ku solatlohor jeung ngawadang. Panénditeruskeun nepi ka soré. Tapipanén can anggeus. Ku si BapaGendut Lukman dihiras sinatunggu cabé nu numpuk disaung. Sakalian isukan mantuandeui nganggeuskeun panén.

Isukna bada asar bérés gawéLukman ngagedig rék nepunganSabar di Masjid Peuntas. Teuwudu mucekil meunang bu-ruhan duit. Jaba dibahanantimbel, sambel, lalab jeung paislauk emas. Leumpang gura-girubari mikir inget ka sobatna nukeur wirid di masjid. Boa candahar ti kamari. Kumaha mungeus langlayeuseun. Padahalmanéhna nu ngajak ngobong.Kolotna ngidinan pédah inditnajeung manéhna. Mun seugSabar aya kajadian nanaon pastikolotna bakal ngananaha kamanéhna.

Kasampak Sabar keur saré.Awakna nyarandé kana tihangmasjid. Leungeunna masihnyekel tasbé. Duh boa-boa kala-paran. Buru-buru ku Lukmandiguyah-guyah dihudangkeun.Sanggeus hudang Sabar dititahdahar. Timbel jeung deungeuna

song diasongkeun. Teu kudu di-titah dua kali Am! Sangu téh di-dahar teu wudu mani ngalimedbangun ni’mat. Bérés dahar eu-reuleu teurab.

“Kumaha migawé dzikir téhaya hasilna?” Lukman nanyabari rada ngajejeléh pamikirnamun teu dibéré dahar ku aingpasti kalaparan.

“Aya… alhamdulillah, Gustimasihan rejeki kalayan teudisangki-sangki pisan.” TémbalSabar, rada héran naha Luk-man maké nanya kitu. Apankasaksian ku manéhna sahabieu nu dahar sangu timbeljeung pais lauk emas.

“Aéh heueuh nya!” KakaraLukman nyadar. Manéhna nugawé. Nu daharna Si Sabar.Karérét dina saku baju kampretSabar ngalangkang amplop radakandel. Sabar surti derekdeknyaritakeun. Sapoé kamari ka-sorénakeun Sabar kacida la-parna. Beuteung murilit, karasapeurih nyéréset. Késang tiisngorolok tina tonggong. Sirahkarasa lungleng. Kitu téh nepika waktu isya. Bada isya di étamasjid aya nu Beunghar ngaya -keun acara syukuran rék naékhaji. Sakalian ngaluarkeun zakatmal tina hasil panén cabé nukacida mucekilna. Bérés ngadu’aanu haladir disuguhan dahar,meunang bésék jeung dibéréamplop. Dua santri mareunangrezeki hasil tina kayakinanana.(Rohaedi Somantri)

(Diréka tina kajiankitab kuning PangaosanAhad di Majlis Ta’lim Al-

Musyawaroh)

Buahna

Yakin

39Manglé 2469

Manglé 246940

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

GEUS taun-taun Bekasi mahngayakeun pilihan AbangNoné téh. Pangna kitu apan

sacara budaya Bekasi mah ngarasaleuwih deukeut kana budayaBetawi manan kana budaya JawaBarat (Sunda). Kultur Bekasi mahkultur Melayu Betawi. Apan kitucék dina perda Provinsi Jawa Baratgé. Geura wé, dina Perda No. 5 taun2003 ngeunaan perluna miara basadaérah, apan basa nu hirup diwewengkon Bekasi mah basaMelayu Betawi. Jadi, di Jawa Barattéh aya tilu basa daérah, nyaétabasa Sunda, basa Cirebon, jeungbasa Melayu Betawi. Nya kitu deuidina Perda 6/2003 ngeunaankasenian daérah jeung Perda7/2003 ngeunaan sajarah jeungajén-inajén. Kecap Melayu Betawitéh teu weléh aya. WewengkonBekasi jeung Cirebon ngarasamibanda budaya sorangan nu bédati budaya Sunda. Éta tilu perda téakiwari keur dioméan alatan réa un-dang-undang jeung palaturan nujadi papayungna nu geus robah turgeus nambahan.

Tah nya ku lantaran ngarasangabogaan budaya sorangan, sabantaun Bekasi mah ngayakeun pilihanAbang jeung Noné Bekasi. Tapi, kulantaran sacara kawilayahan Bekasimah asup ka Jawa Barat, lain kaDKI Jaya, Abang jeung None nukapilih téh teu bisa milu aub kanapilihan Abang jeung Noné Jakartanu saban taun diayakeun ku DinasPariwisata & ebudayaan DKI Jaya.Pangna kitu ku lantaraan pilihanAbang jeung Noné Betawi mah

diajang keun husus pikeun wargaProvinsi DKI Jaya. Ari Bekasi apanteu kaasup wilayah DKI Jaya. Jadi,ana Abang jeung Noné Bekasi milukana pilihan Abang jeung NonéBetawi téh sasat teu ngabogaanhak jadi patandang anu baris diajénku Déwan Juri. Ana kitu, Abangjeung Noné Bekasi mah nu dipilihkalawan hésé béléke téh bakalseuseut seuat, atawa bisa jadi moalpisan, unggul dina pilihan Abangjeung Noné Betawi. Abang jeungNoné Bekasi baris jadi “anak téré”dina pilihan Abang jeung NonéBetawi.

Éta sababna pangna Bekasibaris ngarobah kagiatan pilihanAbang jeung Noné kana pilihanMojang Jajaka. Udaganana téhtangtu malar nu unggul dina pili-han Mojang Jajaka Bekasi barisbisa diilukeun kana kagiatan pili-han Mojang Jajaka Jawa Barat.Salila ieu gé dina pilihan MojangJajaka Jawa Barat téh mémang sokaya wawakili ti Kota Bekasi. Tapinya kitu, para patandang ti Bekasitéh sok héséeun isan nyumponankritéria nu ditangtukeun dina pili-han Mojang Jajaka Jawa Barat.Jadi, mémang merenah pisanupama Bekasi milih Mojang jeungJajaka téh. Apan Bekasi mah kaa-sup wilayah Provinsi Jawa Barat,merenah pisa upama biluk kanakabudayaan nu hirup di Jawa Barattéh.

Tapi, ngarobah Abang NonéeBekasi kana Mojang Jajaka Bekasitéh lain ngan saukur ngarobahngaran, ngarobah “nomenklatur”

kagiatan tina Pilihan Abang Nonéjadi Pilihan Mojang Jajaka Bekasiwungkul. Éta mah ngan sakadarcangkang. Aya nu kudu dirobahkalawan daria, nyaéta perkara“eusi”. Nu jadi eusi dina kagiatanMojang Jajaka téh nyaéta budaya.Sacara budaya, Mojang Jajaka téhtangtu béda jeung budaya AbangNoné. Kritéria nu ditangtukeundina pilihan Mojang Jajaka tangtukudu nyoko kana kabudayaanSunda (Jawa Barat). Ari kritéria nuditangtukeun dina pilihan AbangNoné mah tangtu nyokona téh kanabudaya Melayu Betawi.

Upama para patandang dinapili han Mojang Jajaka Bekasigugon tuhon kana budaya MelayuBetawi, atuh lapur moal nyambung.Ku lantaran kitu, aya dua cara nubisa dipilampah ku panitia pilihanMojang Jajaka Bekasi téh. Carakahiji nyaéta ngayakeun kagiatanmangrupa diklat, atawa naon baépingaraneunana, anu mangrupakagiatan pikeun para patandangmalar wanoh kana kabudayaanSunda nu jadi cecekelan utamasaban Jawa Barat katut kabupa -ten/kota nu aya di Jawa Baratngayakeun pilihan Mojang Jajaka.Cara kadua nyaéta néangan parapatandang nu geus wanoh kanakabudayaan Sunda. Nya meureunkudu urang Sunda. Da di Bekasi géapan réa padumuk urang Sunda gé.Urang Sunda nu teu kapangaruhanku budaya Melayu Betawi, tapipengkuh ngeukeuhan budayatiting gal karuhunna, nyaéta budayaSunda.***

DI KIWARI MACA BIHARI (37)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Ti Abang Noné ka Mojang Jajaka

41Manglé 2469

Manglé 246942

GGedong Saté

Kampanye Pemilu Legeslatifgeus lumangsung. Sakumnapartai politik pamilon pemilu

ngayakeun rupa-rupa gerakan pikeunmeunangkeun sora saloba-lobana.Kagia tan kitu prah di mana-mana, kaa-sup di Jawa Barat.

Ahmad Heryawan ngarasa reueusningali masyarakat Jawa Barat anusantun jeung salawasna ngajaga ka -amanan jeung rasa persatuan dinawadah NKRI. Nurutkeun AhmadHeryawan, salila lima taun Jawa Baratgeus ngalaksanakeun 27 kali Pilkada.Tina runtuyan kagiatan ieu, kondisijeung kaamanan Jawa Barat salawasnaaman. Kusabab kitu, dina palaksanaanpemilu ayeuna Jawa Barat kudu bisangajaga kakompakan jeung bisa nying -kahan tina pacogregan.

Partisipasi masarakat Jawa Baratdina tiap palaksanaan Pemilu, diang-gap salawasna aya kamajuan. PikeunPemilu 2014 ayeuna gubernur miharepbakal aya kamajuan nepi ka 80%. KPUJabar nargetkeun partisipasi wargaJawa Barat dina Pemilu gedena 65 %.

Target ieu tangtuna merlukeungawe bareng jeung pangrojong ti saka -beh palaksana Pemilu ti mimiti TingkatNasional, Provinsi jeung daerah kaa-sup partai politik pamilon Pemilu.Pamilon pemilu lain waé kudu konsendina ngumpulkeun sora saloba-lobana,tapi kudu bisa oge milu ngasosialisasi -keun pentingna make hak pilih dinaPemilu minangka wujud rasa tanggungjawab salaku warga negara.

Pegawe negeri sipil (PNS) salakuabdi nagara, jeung abdi masarakat di-tungtut kasadaranana di tengah-te -ngah masarakat pikeunnga sosialisasikeun pentingna Pemilukeur lumangsungna pamarentahanjeung nagara, jeungna deui kudu bisamere wawasan atawa pangarti kamasarakat sangkanm bisa milu jeungmake hak sorana dina Pemilu. Guber-nur Ahmad Heryawan dina hiji kasem-petan kungsi silaturahmi jeung kurang

leuwih 1500 PNS pejabat esselon II, IIIjeung IV Pemprov. Jabar di PusdaiBandung, gubernur menta sangkanpara PNS milu turun dinangasosialisasi keun Pemilu. PNS kudubisa ngajak warga dina ngagunakeunhak pilihna.

“Ajak warga supados milih partaisareng calegna sacara cerdas luyusareng aspirasi pilihanana.” pokna.

Hibah Mobil Operasional Komisi Pemilihan Umum (KPU)

sa-Jawa Barat meunang bantuan hibahmobil ti Pamarentah Provinsi (Pem-prov) Jawa Barat. Armada operasionalieu téh dipasrahkeun langsung kuGuber nur Jawa Barat AhmadHeryawan di Gedong Pakuan.

Lobana mobil Toyota New Avanzaanu dihibahkeun téh 52 unit. UnggalKPU di kabupaten/kota meunang duaunit. Bantuan hibah ditarima sacarasimbolis ku Ketua KPU Jawa BaratYayat Hidayat.

Gubernur netelakeun, hibah kaKPU téh minangka wujud kadariaan

Pemprov dina ngarojong suksesnapalaksanaan Pemilihan Umum(Pemilu) 2014.

Nurutkeun Heryawan, hibahsabenerna teu meunang dikaluar -keun memeh Pemilu 2014, luyujeung uar cumeluk ti Komisi pember-antasan Korupsi (KPK) ka sakabehgubernur.

Tapi, nurutkeun gubernur, uar pa-nyeluk ieu henteu kawengku kana Ban-tuan Operasional Sekolah (BOS) jeungkeur kapentingan palaksanaan un-dang-undang saperti operasional KPU.

"Hibah mobil ieu maksadna kanggokalancaran dina ngalaksanakeunpemilu. Tujuanana kanggo ngarojongpalaksanaan tugas-tugas KPU. Jantendiperyogikeun pisan kanggo operasio -nal," Pokna.

Gubernur netelakeun, palaksaanpesta demokrasi di Jawa Baratlumangsung kalayan lancar, tanpa ayahalangan. Kusabab, Komisi II DPRmiha rep Jawa Barat téh jadi contopikeun persiapan jeung palaksanaanPemilu 2014 di provinsi sejen.*** (AS)

Hibah Mobil Teu Ngarempak Aturan KPK

Hibah mobil keur KPU teu ngarempak aturan KPK

43Manglé 2469

Preman nurutkeun KamusUmum Bahasa Indonesia(KUBI) nyaeta “Orang bebas

yang bekerja di sektor non-negaraatau nonpemerintah. Premanisme,paham terkait kebebasan untukbertindak menurut aturan yangdibuat dirinya dan keluar dari atu-ran negara/pemerintah”. Pascarefor masi, Indonesia asup kanajaman “premanisme politik”. Palinghenteu aya 4 (opat) preman dinakonteks kahirupan politik diIndone sia, nyaeta: kahiji, premanpasar jeung terminal nu ngawengkujalma-jalma sipil nu kumawasa dipasar-pasar tradisionaljeung/atawa terminal nu ngandel -keun kakuatan fisik salaku sumberkakawasaan (power) keur ngawasakolompok lianna.

Kadua, preman berseragam,nyaeta tindakan premanisme nudipilampah ku aparatur pamaren -tah. Maranehna nyalahgunakeunkawenangan atawa otoritas keurkapentingan dirina atawakolompok na. Dina konteks nuleuwih lega sabenerna ieu man-grupa gejala awal jeung gejalaumum nyalahgunakeun kakawa -saan jeung/atawa kawenangan nudilakukeun ku aparatur pamaren -tah. Aparatur pamarentah di dieungawengku militer, pulisi, jaksa,jeung pagawe negeri sipil, sartaanggota-anggota parlemen jeungkomisioner lembaga-lembaga non-struktural (LNS) nagara. Lamunurang merhatikeun kamekarandemokrasi nu lumangsung diIndone sia, katingalna aya gejala sa -ling “gitik (menjegal)” antaraparatur pamarentah, utamana nudipilmpah ku aparatur penegak

hukum ka aparatur lianna. Memang nurutkeun pamanggih

sababaraha ahli, nu icikibung dinasoal-soal demokrasi jeungdemokratisasi, lamun seug parapenegak hukum teu dikokolakeunjeung kurang ditataharkeun dinasual mentalitas, performance, kodeetik profesi, atawa “imbaljasana(buruhna)” mangkamaranehna loyogna kana jadikorps nu meres aparatur pamaren -tah liana ku senjata hukum atawabisa-bisa meres wargamasarakatna sora ngan (DavidHeld, 2001).Dina konteks ieu,hukum teu jadi sarana pikeunmenghadirkeun kaadilan jeung ka-pastian hukum, tapi ngajang gelekjadi alat keur nying sieunan jeungmeres. Tangtu hal ieu kacida teudipiharepna ku urang, sabab bisamedalkeun “keran cuan” jeung“kakacowan”, sarta ngaganggutartib sosial jeung kahirupansagemblengna.

Katilu, preman “bertasbih”nyaeta lampah premanisme nu di-lakukeun ku jalma atawa kolompokkalayan asmana (atas nama) otori-tas ajaran agama atawa kayakinanlianna. Legitimasi ajaran agama, di-jadikeun “pembenar” pikeunngaguna keun kekerasan atas namaajaran agama, jeung meres kolom-pok lianna. Para pegiat politik,salaku kader partey-partey politiknu berbasis kayakinan atawa hijiagama remen ngalaman diperesterang-terangan atawa sacara lemesku para palaku premanisme jenisieu.

Kaopat, preman “bertoga”,nyaeta lampah premanisme nu di-lakukeun ku jalma atawa kolompok

jalma terdidik jeung terpelajarsamalah pendidikanana ge paguronluhur, nu ngagunakeun kapinteran -ana pikeun meres jeungnyalahguna keun kawenanganana.Dina konteks ieu, urang kudu“nafakuran” pamikiran dulur urangti Kanekes (urang Baduy) pakidulanBanten nu natanyakeun “keur naonsakola jeung jadi pinter, lamunkapinteran ana digunakan keurminteran batur”. Ung Sahenteuna,lamun eta kayakinan urang Baduyjadi bahan pamikiran jalma-jalmanyakola mangsa kiwari, tanwandelampah premanisme jalma-jalmanu marake toga teh bisa diminimal -keun.

Sanggeusna apal jeung nitenankana opat bentuk premanisme diluhur, urang ge salaku hiji bangsabakal leuwih riweuh deui, lamunseug kajadian kolaborasi lampahpremanisme nu dilakukeun ku duaatawa leuwih jenis-jenis premanis -me. Hartina, lamun seug tata kelolapamarentahan jeung pengelolaannegara, sarta aset-aset publiklianna dikawasa “para preman” nuopat jenis tea atawa dikokolakeunku tata cara opat jenis premanis -me, alhasil nagara jeung bangsabakal ngarandapan situasi kontra -produktif jeung salah urus (miss-management). Mugia tata kelolapolitik jeung pamarentahan diurang bebas tina opat jenis pre-manisme tea.***

*) Penulis Guru Besar IlmuPemerin tahan Unpad; Ketua PuslitKebijakan Publik dan KewilayahanLPPM Unpad; dan Ketua AsosiasiIlmu Politik Indonesia (AIPI ) Ca-bang Bandung.

PPrreemmaanniissmmee PPoolliittiikkKu: Dede Mariana *)

Manglé 246944

KKatumbiri

Di hareupeun kader partéypulitik Gerakan IndonesiaRaya (Gerindra) nu minu -

han gedong Sasana Budaya Gane-sha Bandung, Prabowo ngagebrag,ngagaur, ngajak sakumna kaderpartéy ngagedurkeun “PerjuanganKemerdekaan Jilid II”

Sabada pada ngadagoan ti isuk-isuk kénéh ku para kader sarta sim-patisan Partéy Gerakan IndonesiaRaya (Gerindra) nu ngagelek minu -han gedong Sasana Budaya Gane-sha(Sabuga) Bandung, sababarahawaktu nu kaliwat, pabeubeurangpukul 12 leuwih, Letdjen (Pur) H.Prabowo Subianto munculdibarengan ku Gubernur JawaBarat,H.Ahmad Heryawan, Wali -kota Bandung, Ridwan Kamil,jeung réngréngan pangurus DPPPartéy Gerindra, di antaranaH.Burhanuddin Abdullah, KetuaDewan Pakar.

Dikopeah hideung, maké bajusetélan gading ngora, éta KetuaDéwan Pembina Gerindra téhleumpang ajeg bari teu eureunngagupay ka hadirin nu ngaguruhngabageakeun, “Hidup Gerindra!Prabowo Presidén! IndonésiaBangkit!”

Éta acara diayakeun dina raragangistrénan Pangurus DéwanPingpi nan Daérah Partéy GerindraProvinsi Jawa Barat sarta sakaligusngareuah-reuah Milangkala PartéyGerindra nu ka-6. Minangka KetuaDPD Partéy Gerindra Provinsi JawaBarat, geus kapilih Ferry J. Julian -tono dilengkepan réngrénganpangu rus lianna. Ari Ketua DéwanPanaséhat DPD Gerindra Provinsi

Jawa Barat, kapilih Létjén (Pur)H.Ahmad Rustandi .

Kamerdékaan Jilid ka-2

Prabowo, dina biantara pulitik -na nétélakeun, generasi 45 geusbisa ngarebut kamerdékaan ti kaompenjajah, tah, generasi kiwari bogapancén ngagedurkeun perjuangankamerdékaan jilid ka-2. Nu matakdisebutkeun kitu, ku lantarankanyataan ana bangsa urang kiwaritacan mampuh “berdikari”. Conto -na, urang beunghar ku sumberdaya alam, tapi kunaon lauk asin,malah uyah ogé kudu ngimpor? Ku-naon lauk ti lautan nu legana 3/4wilayah nagara urang dipaling kupamayang asing? Kunaon kaua -ngan nagara bocor sarébu trilyun?

Bari nunjuk hadirin nu nga -guruh, malah kadéngé aya kader nungagorowok, “Hati kami sakit,Jendéral! “, Prabowo nandeskeun,teu rido nyaksian bangsa urangayeuna nu sakitu ganjorna antaramasarakat beunghar jeungmasarakat miskin. Nyatanamasarakat miskin tambah miskin,ari para koruptor, maling, malahngalalakon.

“Kami tidak mau, wanita-wanitaIndonésia jadi pelayan bangsaasing!” pokna, ngagidir.

Satuluyna éta jéndral nu leubeutpangalaman di médan tempur téhngajak sakumna kader partéy ulahngadagoan datangna kaadilanjeung karaharjaan, tapi saéstunaéta dua hal téh kudu direbut.Pikeun ngahontal éta hal, bangsaurang kudu dipingpin ku paming-pin nu wani tur tegas. Ngansaratna, Gerindra kudu meunangheula dina Pemilu ayeuna. Pikeunnyalonkeun dirina jadi presidén,Gerindra kudu meunang 20% , nuengkéna bisa nyalon dina Pilprésbulan Juli 2014.

Sedengkeun Ketua DPDGerindra Provinsi Jawa Baratmah, Ferry J. Juliantono, tinapangalaman nu engges-enggeus,Jawa Barat mangrupa koncikaunggulan pemilu di tingkatnasio nal. Taun 1999, PDIP ungguldi Jawa Barat, satuluyna ungguldi tingkat nasio nal, kitu deuiGolkar taun 2004, jeungDémokrat taun 2009. Nu matakcenah, Gerindra bakal bajo angsakuat tanaga sangkan unggul diJawa Barat.***karno

Prabowo Jadi Presidén?

H. Prabowo Subianto (nét)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

45Manglé 2469

Prof. Kartawan Kapilih Deui Jadi Réktor Unsil

Sanggeus réngsé ngaliwatantahap-tahap kagiatan pilihanRéktor Unsil nu lumangsung

jujur, lancar, aman tur démokratis,Ketua Déwan Pembina YayasanUniversitas Siliwangi, Létjén TNIPurn. H.Solihin GP., sawatarawaktu nu kaliwat di aula RéktoratUnsil Tasikmalaya, kalawan resmingistrénan Prof.Dr. H.Kartawan,SE.,MP. minangka Réktor Univer-sitas Siliwangi périodeu 2014-2018. Acara istrénan diluuhan kuwalikota, para bupati, ulama, ping-pinan instansi, guru besar, dosénkatut karyawan Unsil.Saméméhna, Prof.Kartawan ka-catet geus mingpin Unsil salilapériodeu 2010-2014.

Patali jeung kapercayaan nu di-cangkingna, Prof.Kartawan teu lalingungkabkeun panuhunna kasénat, yayasan, dosén, karyawan,katut mahasiswa Universitas Sili-wangi nu geus mercayakeun dirinanyangking amanah minasngka rék-tor. Réktor ogé nganuhunkeun kapara pembantu réktor, dékan,jeung pingpinan di lingkunganUnsil nu geus ihlas masrahkeunpangabdiannana dina périodeu2010-2014.

Dina priodé nu disorang, ceukRéktor, nuluykeun prosés peneg -rian, ngawangun iklim akademiknu kondusip jeung tarékahningkatkeun karaharjaan téhmang rupa prioritas dina programgawéna nu bakal datang. Tanpapangrojong sakumna warga Uni-versitas Siliwangi, karep dirinangawujudkeun udagan nu jadiharepan saréréa téh tangtu bakalkahontal. Ku sabab kitu, pihaknangajak sakumna warga Unsil malarsauyunan méré kontribusi saluyujeung kamampuhna séwang-

séwangan.ceuk Prof. Kartawan, karep

ngawangun Kampus PerjuanganUnsil jadi paguron luhur nu pang-majuna teu cukup ku ngandelkeungawé wungkul, tapi kabéh kom-ponén sawadina digawé kalawancerdas, tuntas, waras, jeung ihlas,sarta silih rojong, rempug jukungsauyunan diwuwuh sumangetpatriotis meu, jeung boga cecekelandina diajar, digawé, babakti, bar-joang, sarta ibadah saumur hirup.

Minangka warga Unsil, Réktorogé diperedih pikeun ngalenyepan

pesen moral nu kaunggel dinaWangsit Siliwangi : “Sing saha baéanu maké ngaran Siliwangi atawangarasa jadi sékésélér Siliwangi,manéhna bakal nanjung hirupna,bakal mulia gumelarna.Kawangikeun sabuana panca -tengah lamun manéhna jujur, sina-tria, teuneung, gumati ka si leutik,nyaah ka rahayat, sarta wibawa kasasama. Sabalikna, hirupna moalpanggih jeung kasenangan, bakallara balangsak saindengna, lamuningkar tina patokan anutadi”***Uun Juharti

Réktor Unsil pinilih, Prof.Dr.H.Kartawan,SE.,MP.

Manglé 246946

KKatumbiri

Kalungguhan staf ahli Bupati nudicekel ku para pajabat ésélon II,kawasna ukur dijadikeun pang -

lengkep dina Struktur Organisasi TataKerja (SOTK) Pemkab Bandung. Bukti -na, salian ti diapilainkeun ku pimpinandaérah téh, ku kepala Organisasi Pemer-intah Daerah (OPD) gé geus mimiti teudiambeuan.

Saperti dina kagiatan MusyawarahPerencanaan Pembangunan (Musren-bang) Kabupatén Bandung Tahun 2015,staf ahli taya nu hadir. Padahal, hasil ka-jian ti éta para pajabat téh bisa jadibahan asupan, utamana dina ngararan-cang pangwangunan taun hareup. Ka-teuhadiran staf ahli dina Musrembangéstu dienyakeun ku Staf Ahli Bupati Ban-dung, H.Tata Irawan, pokna, para stafahli lain embung hadir, tapi Bapeda mi-nangka nu mangku hajat teu ngondangsatf ahli, kusabab OPD kawas geus teunganggap kana ayana staf ahli bupati.

Padahal, Tata Irawan ngémbohan,saméméhna geus apal kana kagiatanMusrembang nu bakal lumangsung dinaKemis (13/3). Ku kituna, kabéh staf ahligeus saged rék hadir kana éta kagiatan,bari susuganan ondangan téh datangnaisuk-isuk saméméh kagiatan dimimitian.

“Ku margi teu aya ulemannana, dugika waktosna téh teu janten dongkap.

Antuk na, ngalaksanakeun kagiatan séwang-

séwangan baé para staf ahli téh,” pokna,ka Manglé sababaraha waktu nu kaliwat.

Sedengkeun Ketua Bapeda Kabu-patén Bandung mah, Ir. H. ErnawanMustika, nandeskeun yén teu mungkinlamun staf ahli nepi ka teu diondang.Lantaran unggal kagiatan nu dilaksana -keun ku saban OPD staf ahli tara kungsikaiwalkeun.

“Teu mungkin kaiwalkeun, pasti di-ulem,” pokna, bari nanya ka salahsaurang stafna nguenaan aya henteunaondangan keur staf ahli.

Erawan nétélakeun, lamun nepi kataya undangan ka staf ahli, dirina mentahampura pisan. Sabab ondangandiurus na ku staf, ari dirina mah ukurnandatangan wungkul.

Sekala Prioritas Demi KaadilanWakil Bupati Bandung, Deden R Ru-

madji nétélakeun, dina rarancang pang-wangunan nu bakal datang, saperti nukeur dipadungdengkeun dina Musrem-bang, Pemkab Bandung tetep ngutama -keun sekala prioritas, tapi nu adil.Hartina, anggaran pangwangunan an-tara daérah A jeung B pasti béda,guman tung pangabutuhna séwang-séwangan.

“Janten, pami daérah A peryoginapaangwangunan jalan, anggarannanabakal benten saréng daerah B nu ukurperyogi kanggo dana miara jalan,”pokna, waktu ditepungan saméméhnutup kagiatan Musrembang.

Dina Musrembang nu dibuka ku Bu-pati Bandung, Dadang M Nasser, hadirKetua DPRD Kab. Bandung Drs. H. TotoSuharto; wawakil ti BKPP wilayah IVPria ngan, Drs. Jejen Hendra, Msi; KetuaBapeda Kab. Bandung, Ir. H. ErnawanMustika, para camat, lurah, sarta ratusanondangan lianna.

Dina taun 2015, Kabupatén Bandungmasih nargétkeun IPM (IndeksPembangu nan Manusia) 75,89 poin. Étatargét téh, ceuk Bupati Bandung, bisa ka-hontal kusabab dina taun 2013, IPMKabupatén Bandung geus aya dina po-sisi 75,40.

"Éta Posisi jadi modal dasar pikeunngahontal targét nu bakal datang,” ceukBupati.

Angka IPM 75,40 poin téh dirojongku Indikator Indeks Pendidikan 85,23,Rata-rata Lama Sekolah (RLS) 8,70,Angka Melek Huruf (AMH) 98,84 %,Angka Harapan Hidup (AHH) 75,56sarta Indeks Daya Beli 65,42. Ngaronja -na indéks pendidikan gedé pangaruhnakana nérékélna IPM.

Bupati nandeskeun, kewijakanstrategis 2015 di antarana méréskeunjalan kabupaten, jalan Tol Soroja kudugancang diwangun, sarta tatahar nyang-hareupan PON 2016.

Rencana pangwangunan 2015, ceukKetua Bapeda Kabupaten Bandung, Ir.H. Ernawan Mustika, tetep nyoko kanaprioritas jeung sasaran, di antaranaréfor masi birokrasi, wajib belajar 12 taunsarta pendidikan vokasional,ningkatkeun palayanan jeung kualitaskaséhatan, ngurangan angka kamiski-nan, layanan sarana jeung prasaranadasar wilayah, ngamekarkeun produkunggulan, réhabilitasi lingkungan anuruksak, pangwangunan daérah jeungwilayah padésaan,

sarta pemantapan kemandirian pa -ngan. ***nunk

Musrenbang Kabupatén BandungTanpa Staf Ahli Bupati

Kagiatan Musrembang Kabupatén Bandung 2015.

47Manglé 2469

Pamaréntah Kabupatén (Pem -kab) Bandung nargétkeunpanarimaan Dana Bagi Hasil

(DBH) Pajak Penghasilan 2014 Rp.46 milyar. Sedenghkeun dina taun2013, DBH nu katarima ku Kabu-patén Bandung ukur Rp. 36,3 mil-yar.

“Pikeun ngahontal éta target,dibutuhkeun dukungan, komit-men, sareng sinérgitas ti sadayapajabat perpajakan. Salian ti kituogé peryogi ayana kasadaran parawajib pajak dina ngalaksanakeunkawajibannana mayar pajak,” ceukBupati Bandung, H. Dadang M.Naser, SH., S.Ip, waktu muka acaraSosialisasi sarta Pekan PanutanPenyampaian Surat Pemberi-tahuan Tahunan (SPT) Pajak Peng-hasilan (PPh) Orang Pribadi Tahun2013, ngaliwatani “e-Filling” diBalé Sawala,Soréang, sawatarawaktu nu kaliwat.

Ngenaan kataatan para wajibpajak “orang pribadi”, dinangalaksana keun kawajibanana,utama na dina ngalaporkeun SPTtaunan, éstu masih kénéh kurang.Éta hal katémbong tina jumlah173.089 urang nu boga NPWP(Nomor Pokok Wajib Pajak) 2013,64,74% atawa 112.059 urang nga -lapor keun SPT-na ka kantor pajak.

“Kanggo taun 2014, sim kuringmiharep wajib pajak nu ngala-porkeun SPT-na tiasa langkungseueur, minimal dugi ka 70 per-sén. Margi sistim penyampaian -ana ayeuna langkung babari,” ceukBupati..

“e-Filling” mangrupa salah

sahiji torobosan nu dilaksanakeunku Dirjén Pajak, pikeunngagampilkeun wajib pajak dinangalaporleun SPT-na bari teu kududatang ka kantor pajak. Nu pentingaya jaringan internét, sangkan SPTbisa ditingali sacara “on-line”.

Bupati miharep, sangkan prog -ram “e-Filling” bisa diinformasi -keun ka masyarakat, utamana kapara wajib pajak. Salian ti kitu, ieuPembina Karang Taruna Kabu-patén Bandung téh ngingetan, iberngeunaan SPT tahunan PPh palingelat 31 Maret 2014, sedengkeunkeur anu sifatna pribadi sarta PPhbadan mah paling elatna 30 April2014.

Kepala Kantor Pajak Wilayah IJawa Barat, Adjat Djatnika,nandes keun, pikeun wajib pajakmah SPT Taunan PPh-na kudu

boga “Electronic Filling Identifica-tion Number” atawa “e-FIN” nudipedalkeun ku Kantor PelayananPajak.

“Kanggo ngagaduhan e-FIN,para wajib pajak tiasa sumpinglangsung ka kantor palayananpajak nu pangcaketna,” pokna.

Iber SPT Taunan PPh sacaraéléktronik bisa diaksés ngaliwataninternét dina Website Dirjen Pajakhttp://www.pajak.go.id. Sosiali -sasi na ceuk, Kepala DPPK (DinasPendapatan dan PengelolaanKeuangan) Kab. Bandung, Dra. Hj.Siti Nuraini Alimah, maksdunapikeun ngaronjatkeun kadisiplinanpara wajib pajak, utamana dinamayar pajak. Ku kituna, tujuanoptimali sasi panghasilan nagaratina séktor pajak unggal taun bisakahontal.***nunk-dédé

Pemkab BandungNargétkeun DBH Rp. 46 Milyar

Nyantek ka derna Pemilu, kompanyeuséah di mamana. Rahayat ting alabring,rék ngabandungan nu nebar harepan.Geus jadi acara maneuh. Balaréa surak,emprak, keprok. Naon anéhna? Sabanlima taun sakali gé apanan kitu.

“Nu matak prihatin, mun urang Sundaukur ngeprokkan deungeun, ukur jaditukang emprakna wungkul,” ceuk Drs. H.Uu Rukmana, M.Si.

Ieu inohong Sunda anu leuwih popilerdisebut Kang Uu téh nembrakkeunpamanggih na patali jeung gegederananapésta rayat anu disebut Pemilu, wabil hususdi lingkungan urang Sunda sora ngan. UrangSunda anu jumlah pendudukna kadua pan-globana, dina émprona mah ukur dijieunleuit, ukur dipénta sorana, bari maranéhnamah teu loba pipilueun dina geus réngsénaPemilu.

Kabuktian, ceuk Kang Uu, wawakil tiJawa Barat anu dariuk di DPR-RI mangsabakti 2009- 2014, tétéla lolobana mah lainputra daérah, alias lain pituin Sunda. Sora tirahayat Jawa Barat ukur jadi bancakan.

Pangna tepi ka kitu téh, pokna deui, anukawasa nangtukeun saha-sahana jadi calegtéh apanan partéy. Saha jalmana, jeungditempatkeun di mana, apan éta téh

kumaha ceuk kahayang partéy. “Naha ayaurang Sunda anu jadi ketua partéy? Apaneuweuh. Jadi, nya kumaha ceuk batur atuh.Padahal, nu jadi wakil rayat téh kudu nuapal kana kereteg batin rayat, anu apal jeungboga pangalaman jejeblogan-jijibrugan dinakahirupan balaréa, lain jalma malangmang-mulungmung anu teu apal nanaon. Wakilrayat téh kudu nu apal, ngarti, jeung surtikana angen-angen balaréa anu diwaki-lanana.”

Karuhun Sunda dina naskah Siksa -kandang Karesian geus méré pangwawadi.“Apan cenah, mun hayang nyaho talaga,tanyakeun ka soang. Mun hayang nyaholeuweung, tanyakeun ka gajah. Mun hayangnyaho kembang, tanyakeun ka bangbara.Jadi, geus aya proporsina.”

Anu wanoh ka Sunda, kana karaktermanusana, kana kaayaan lingkunganana,kana budayana, kana kereteg angenna, nyatangtu kudu urang Sunda deui. Tah,

Manglé 246948

LLaporan

Kang UuSunda Lain Ukur Ngigelan, Tapi Ngigelkeun Jaman

Kang Uu dina kagiatan kamasarakatan

saenyana kudu nu wanoh atuh, mun hayangngawakilan urang Sunda mah. Kitu deui anuhayang jadi pamingpin bari ngelebetkeunbandera Sunda, kudu nu enya-enya apalkana batin Ki Sunda. Lain jalma saliwat, anuteu kungsi kacatur kumaha ketak jeungléngkahna dina merjuangkeun Ki Sunda.Dina kagiatan nu patali jeung nanjeurna KiSunda, Kang Uu téh lain karék sakatiga.Geus ti baréto ancrub, tug tepi ka kiwari.Kang Uu logor dina panto, jeung padangabagéakeun ku saha waé ogé, da puguhtatapakan dina nyieun léngkah; demi Sunda,sangkan nanjeur di nasional. “Ayeuna mah,di antara urang papada Sunda, kudu sabilu-lungan, ulah pakia-kia, jeung ulah silih

goréngkeun,” pokna deui.

Kasadaran BalaréaDina Pemilu, tanaga rayat téh rohaka.

Maksudna, mun di hiji daérah loba cacahjiwa atawa padumukna, kakuatanana ogébakal leuwih rohaka. Ku nilik ka dinya,pantes pisan mun urang Sunda nu cacah ji-wana kadua panglobana di Indonesia téhmilu ancrub kana kapamingpinan nasional.“Anu penting mah kudu aya kasadaran tiurang Sundana sorangan kana pentingnakapamingpinan pulitik di tingkat nasional,”ceuk Kang Uu.

Huluwota kakawasaan mémang ayadina sora rayat. Calon pamingpin nu dia-songkeun ku partéy, boh pikeun législatif bohéksékutif, kaasup presiden, dina pamustun-ganana mah bakal ditangtukeun ku rayat. Kusabab kitu, jumlah padumuk di hiji daérah,misalna waé Jawa Barat, bakal dipaké tinim-bangan utama ku para calon pamingpin,atawa ku pihak-pihak anu boga “jago”. Patalijeung hal éta, ceuk pamanggih Kang Uu,mun urang Sunda ngasongkeun pamingpinnasional, copélna pikeun kalungguhan wakilpresiden. Geus puguh deui ari di tingkatmenteri, jeung lembaga lianna anu lévelna

sahandapeun kabinet.“Kari kumaha ceuk urang sorangan,

naha aya karep ngaléngkah ka dinya. UrangSunda téh ulah jadi waé buntut atuh, tapikudu jadi pupuhu dina rupa-rupa kalemba-gaan nagara. Geus waktuna urang Sundanyieun léngkah anu rohaka. Lain waé saukurngigelan, tapi ngigelkeun jaman,” poknatandes.

Nilik kana jumlah cacah jiwa di JawaBarat, merenah pisan mun partéy nem-patkeun urang Sunda pikeun posisi wakilpresiden. Éta mah rék saha jeung urangmana waé presidenna, pantes pisan munwakilna ti Sunda.

Ditilik tina posisi geografis gé merenah

pisan. Apan Jawa Barat téh pangdeukeutnaka puseur kakawasaan nasional. MalahJakarta anu ayeuna jadi puseur dayeuh na-gara, apan baheulana mah Sunda Kalapa,lembuma urang Sunda. “Pakarepan urangSunda pikeun ilubiung dina kapamingpinannasional téh mangrupa hiji wujud tanggungjawab urang Sunda ka nagara katutbangsana,” pokna deui.

Saterusna di posisi kabinet, pantes munsawatara urang Sunda aya nu diilukeun.“Urang Sunda nu diajén pinter jeung mampuh,apan teu kurang. Kitu deui anu pendidikan analuhur, apan di Jawa Barat tempatna.”

Kudu AkurDina milih pamingpin, Kang Uu mi-

harep sangkan urang Sunda sabilulungan.Ulah paburencay, tapi ngahiji enggoningnyoarakeun aspirasina. “Ulah pagirang-gi-rang tampian. Ulah ukur paséa, jeung ulahasa kasep sorangan,” pokna tandes.

Maksudna, saha waé nu diajén payusjadi pamingpin di tingkat nasional pikeunngawakilan Sunda kudu dirojong kusakumna pihak. Mun nilik kana kapentin-gan, tangtu waé rupa-rupa. Ngan mun téamah éta kapentingan pikeun kamaslahatan

sakumna urang Sunda, wajar pisan mundibagéakeun jeung dirojong ku sakumnaurang Sunda.

Angen-angen Kang Uu, urang Sunda téhkudu hirup jeung huripna. Sunda téh apansubur ma’mur gemah ripah répéh-rapih.Tapi kiwari, dina kanyataanana loba numatak nalangsa. Kang Uu nu remen asruk-asrukan ka pilemburan, cacarita jeungbalaréa, apaleun inya kana rupa-rupa bang-baluh hirup rahayat. Loba anu katideresa,antukna hirup maranéhanana sangsara. Turpadahal, ieu republik milik saréréa téhumuma geus nincak 69 taun. Kuduna mahkahirupan balaréa teh ngaronjat batan nuenggeus-enggeus, ulah haben dibéré bang-

baluh.Ayeuna, dina Pemilu 2014, Kang Uu bis-

millah rék tandang di tingkat nasional,nyalon di Dewan Perwakilan Daerah (DPD).Lian ti dumasar kana kereteg batinna soran-gan nu hayang milu ngaraharjakeun kahiru-pan warga Jawa Barat jeung ningkatkeunperan Jawa Barat di tingkat nasional, ogé kusabab loba pihak anu ngarojong, nyumange-tan, jeung ngadeudeul sangkan Kang Uutandang di éta lembaga. Malah teu mustahilmun nyangking jabatan ketua. Ari sababna,anggota DPD ti saban provinsi téh digitikrata, sarua kabéh gé opatan. Jadi wakil tiJawa Barat anu pendudukan panglobana,sarua jeung wakil ti provinsi séjén anu jum-lah pendudukan kurang ti sajuta jiwa. Anakitu, sora anu jolna ti Jawa Barat tangtu waébakal leuwih loba. Anggota DPD anu meu-nang sora panglobana, nya manéhna nu en-gkéna bakal jadi ketua.

Lamun hal ieu tinekanan, ku ayana pan-grojong ti urang Sunda, hartina wawakil tiSunda- téh bakal nyekel posisi penting.Tangtu waé ka dituna mah dipiharep bakalngigelkeun jaman. Enya, Sunda di panggungnasional. Lain Sunda anu misahkeun diri tiieu republik.***

49Manglé 2469

Nepungan dulur di tatar SundaNgajak ngigelkeun jaman

Manglé 246950

BBalé Bandung

Taun 70an, Arief Budimanngagebrag mingguan Maha-siswa Indonesia edisi Jawa

Barat nu dipingpin ku Rahman Tol-leng. Togmol disebutkeun, mingguanbieu geus lain media pers deui, tapigeus jadi pamflet!

Pasalna mah, mingguan Maha-siswa Indonesia tembong pisan nga-jagokeun Golkar. Memang haritaGolkar kaasup “pembaharu” turkaimpungan ku kaom intelektual, ku-lantaran, diantarana, ngutamakeunprogram( program oriented) lain ideo -logi (ideology oriented) saperti age-man partey pulitik umumna. Ariefnganggap mingguan MahasiswaIndone sia geus jadi media pers parti-san, henteu ngalarapkeun jurnalistiknu imbang.Kana kritikan bieu,minggu an Mahasiswa Indonesiasaukur netelakeun, mediana cenahbeda jeung koran sejen nu ngaberita -keun kajadian sapopoe sapertikacilakaan lalu lintas atawa kahuruan,“tapi kami adalah journal of ideas”.

Duka kumaha pamanggih AriefBudiman kana media pers urang

mangsa deukeut ka Pemilu 2014 ayeu -na. Tapi, jigana mah moal beda jeungDewan Pers nu manghanjakalkeunpolah media pers ayeuna nu geus teuimbang deui lebah midangkeunberita na, alias geus jadi partisanbolong kotan. Teu disebutkeun kuDewan Pers, media pers mana wae nupolahna kitu teh. Lebah dieu, memangmatak prihatin. Sakuduna media persngatik masarakat ku jalan midang -keun tulisanana kalayan imbang, lainmidangkeun tulisan nurutkeunpamang gih sorangan wungkul.

MelodramatisKuring sorangan helok maca

koran Kompas ( Sabtu, 15 Maret 2014)nu totomplokan ngajagokeun DjokoWidodo minangka capres 2014. Cobageura baca lebah Pojok (kaca 6) nuunina, “ PDIP resmi ajukan Jokowisebagai calon presiden. Masih perluPilpres 2014?”. Memang, maca tulisankawas Pojok, ulah dibaca sahinasna.Macana lain nu “tersurat” tapi nu “ter-sirat”. Tapi, rek kumaha wae macana,naon maksudna tulisan bieu teh? Panhese ngaleungitkeun anggapan,tulisan bieu pohara teu ngaapresiasi -na capres sejen. Atuh nu leuwih parnadeui, teu ngahormat rahayat nu bogahak milih nurutkeun karepna. Komodeui maca kolom Sukardi Rinakit“Megawati dan Deklarasi Marunda”(kaca 7). Wah, eta mah sora loyalispisan, kaom “pemeluk teguh” ceukChairil Anwar mah.

Jelas, ayeuna kadenge haruspisan, sora nu ngagiring urang supayageuwat milih Jokowi minangka pre -siden, ulah nu sejen deui. Bakal cilakabangsa urang mun henteu milihJokowi! Ieu tembong tina sakitu kuat -na kamari ieu, sora nu ngagugujeg su-

paya Megawati netepkeun Jokowi mi-nangka capres 2014.

Ngan masing kumaha wae oge,polah kitu sarua jeung nembongkeunteu dewasana urang sorangan. Me-mang bener, ceuk Sukardi Rinakit,watek bangsa urang melodramatis.Coba wae, bareto Presiden Soekarnopada muja, tapi satuluyna padangekeak. Potretna oge dibalangkeunka jalan ku mahasiswa. Tuluy Pre -siden Soeharto pada muji bebeakan,saterusna pada ngalunjak. JamanOrde Baru, jasa-jasa Soekarno taya numalire, nyambung jaman reformasi,jasa-jasa Soeharto sarua padangeyehkeun. Nyorang mangsa awalSBY tandang, pada muji ku sarerea.Malah ceuk Acep IwanSaidi oge,“Dibanding jeung presiden sejenna,SBY terbaik”. Tapi, satuluyna Acepjeung nu sejenna kuciwa. PresidenSBY tetela sakitu hengkerna, sasatnaku barudak PKS wae eta jendral tehdicoo gado.

Matak hariwang, ayeuna oge geustembong tanda-tandana urang bakalpikitueun deui. Jokowi pada muji sa-taker kebek ku sarerea, alus mun seugjadi presiden. Megawati, PDIP,Jokowi hebat! Padahal, tenang waeatuh, keur naon totomplokan kitu?Mun kanyahoan engke gagalna, panurang bakal kuciwa deui kawas urangayeuna ka SBY.

Memang bener ceuk SukardiRina kit, ana kitu mah. Memang urangmelodramatis, leuwih ngutamakeunparasaan, lain pikiran nu asak,seukeut tur imbang. Ngan matak iro-nis, Sukardi Rinakit sorangan geu -ning sarua melodramatis, mujiMegawati, PDIP jeung Jokowi sakitutotomplokkanana!

Karno Kartadibrata.

Melodramatis

51Manglé 2469

Manglé 246952

Geus nincak kana “uga-na”lamun kiwari “Bandungheurin ku tangtung”. Ban-

dung pamukimna geus pepekpasese dek, Bandung ge kawentarjadi pangjugjugan turis-turis lokaljeung internasional, ku kituna teuhelok lamun unggal poe, unggalminggu, patalimarga macetdimama na, haseup kandararaanmungguh mulek muput irung,

matak eungap jeung ngaganggukasehatan. Tah jigana kaayaansaperti kieu nu ahirna medalkeunprogram “Bandung Bersepedah”unggal poe Jumaah” atawa “bike toschool(ka sakola make sapedah)”teh. Hade oge tah ideu parapaming pin Bandung / Jawa Baratteh, da pastina ge lamun pamukimBandung loba nu make sapedahmah disagigireun Bandung moal

macet teh pamukimna ge sarehatlantaran unggal waktu ka olahraga na ku ngawelah sapedah. Tapipastina ge teu sakabeh urang Ban-dung bisa ngudag tujuanna sapertisakola, kuliah atawa ka kantormake sapedah lantaran ku jauhna.Tah ulah salempang kapan cekbabasan ge “manuk hirup ku jang-jangna, jelema hirup ku akalna”,sapedah ge kiwari geus dimekar -keun jadi “sapedah Listrik”, hartinamake mesin nu digerakkeun kulistrik.Modelna bisa ditingalisaperti ‘kareta mesin listrik” nu sokdianggo ku walikota Bandung Rid-wan Kamil.

Ari SMKN 2 Bandung nga -rojong program “bersepedah” tipamaren tah teh tangtu wae kukompetensina salaku sakolakajuru an(STM) mesin. Siswana nubarisa ngagambar/ngadesainmesin, ngelas, ngabubut, nepi kapabrikasina teh ku kapala sakolanaDr. Asep Tapip Yani, M.Pd, jeungguru-guruna disina ngararancangsapedah, disina nyieun sapedahlain ngan ukur bisa meuli wungkul,“Da namina ge SMKN 2 mah kapansakola “kajuruan” janten “ngajuru”mah dina basa Sunda ge kapanhartos na “ngalahirkeun/ medal -keun”, janten kedah tiasangalahirkeun karya’, Kitu saur Asep

Tapip. Nya ahirna berekah cenahgeus ngahasilkeun 5 sapedah basa-jan, tapi asli “batangna/ rangkana”buatan siswa SMKN 2 Bandung.Memang loba keneh kakurangan -ana cenah ge da ngaranna ge karyamitembeyan siswa nu dialajar,“Konsepna mah ATM (Amati/imeutan/ditilik-Tiru-Modivikasi),jadi dimodalan meser sapedah titoko laju didesain/digambar, di -

CCamara Kampus

Smkn 2 BandungKeur Ngaropea Sapedah Listrik

Dr. Asep Tapip, sepeda listrik nu ekonomis jeung ekologis

53Manglé 2469

Chika: Rumaja Sundanu Ngamumulé Seni Budayana

Hanjakal ukur sabéngbatanKarérét imut salira, kapireng halimpuna soanten saliraDina rindat nu matak tibelatDina raksukan nu matak kabéngbatSaha atuh salira téh, Ndén...?Di mana linggih? Di mana nya kiwari nyuprih élmu?Hanjakal ukur sakolébatanNajan geus kajudiSalita téh Putri Sunda nu nyaah ka sarakananaPutri Sunda nu micinta seni budayanaMangga atuh, Ndén.....Iraha baé salira tiasa sindangDiantos wartosnaSangkan urang tiasa langkung wanohUkur ngaharéwos méméh paturaySimkuring: Cika....***

(Naskah: Téh Narti/Potrét: Réisyan)

aping ku guru-guruna belah manangelas jeung ngabubutna, jleg wejadi sapedah buatan SMKN 2 Ban-dung”. Pokna deui reueus.

Kitu deui nalika katomperna -keun rame usum “Sapedah Listrik”,SMKN 2 Bandung sakalian baringampanyeukeun “Sekolah sehatdan hijau”, langsung ngayakeungawe bareng jeung PT.Volt Indone-sia nu mroduksi sapedah listriksamerek jeung tunggangan Pa WaliRidwan kamil. Jadi Lian ti nyadia -keun rupa-rupa sapedah listrik tinu pangajina tilu belas jutaan(jenisCity-srs) nepi ka nu pangmahalnagenep belas jutaan (jenis Ontel) nubisa ngambah jarak 35 km ku ka-cepatan 35 km/jam ku tanagalistrik nu dicharger salila 4 jam, ayaoge model sapedah gunung (MTB-ST=opatbelas jutaan), kiwari disakola kajuruan nu pernahna diJalan Ciliwung No.4 Kota Bandung

ge narima servis jeungngarakit/masang mesin listrikna.Jadi konsumen bisa oge meulimesinna wungkul sapangaji Rp.5,9juta(kakuatanana 250 watt),ongkos masang/ngarakitna weh700 rebu, jadi ku duit 6,5 juta,tungguan we tilu jam, sapedahurang (naon wae modelna reksapedah lipet, gunung, jsb) geusrobah jadi sapedah listrik, “Me-mang rada awis sapedah listriksapangaji sareng motor, kitu deuimesinna, tapi motor mah kedahdibengsinan, dipajakan, kanasapedah mah olahraga matak sehatkana awak”, kitu cek Dr.Asep uma-jak.

Kapala sakola nu kungsi“nyalon” bupati Garut ge brukbrak,sabenerna bahan-bahan sapedah,batang atawa sapedahnakalolobaanna didatangkeun(di -import) ti luar negri, da matak

aheng cenah harga sapedah di urangmah leuwih mahal batan buatanluar negri. Tah engke mah bahan-bahan keur sapedah listrik teh bakaldiproduksi di SMKN 2 Bandung .Saayeunaeun ge geus kabuktianhasilna, aya dua sapedah basajanhasil jieunan siswa dipamerkeun dihareupeun lawang kantor sakola.

Mudah-mudahan ku ayanasapedah ieu siswa SMKN 2 Ban-dung teu ngan ukur bisa ngagugu-lung elasan jeung ngabubut, tapibakal medalkeun karya nu bakaljadi pangupajiwa mangsa hareup -na, “ Ku kaahlianana nu disuprihti sakola para siswa dipihareptiasa ngadamel sapedah nyalira,sok sanaos basajan teu tiasamapa kan sapedah pabrikan, tapiinsyaaloh kapayunna para pecintasapedah bakal langkung ngaharga -an sapedah “hanmade”,kitu saurPa Asep pasti.***

SSaha Eta

Manglé 246954

SSajak Rumaja

Rinrin Mardiani

Carita DunyaEma, Bapa......Geuning kieu séahna dunyaLoba perkara jeung cidraTumiba malar dipaksaPikeun ngigelan kahayangnaTeuing dosa reumbeuy caritaNu pasti anjeun nu malar bagjaMekelan sagala jajampé dunyaMalar ngahontal kalanggenganBeresih haté mungkas pamiangan***

(Lédeng, 4 Séptémber 2004)

PaturayDésémber tukang taun katukang-tukangLebah tanjakan ngembat panineunganGanti carita ganti katresnaMudalkeun kereteg eusi haténaNgudar jangji tatali atiNgudar tungkusan katresna urangRasa keuheul, sedih jeung cintaNgalimba dina bendungan cimataRas cidra nu tumibaMungkas carita katineung urang***

(Garut, Désémber katompérnakeun)

55Manglé 2469

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Angin puyuh4. Kota di Pulo Jawa anu sohor ku uki-ran kaina/parabaot rumah tangga7. Ukuran lobana nambangan8. Mayar9. Biru11. Nangroé Acéh Darussalam12. Maot14. Daun lontar anu ditulisan/beus surat17. Carita20. Légénda maénbal dunya22. Tempat pemakaman umum23. Istri raja lian ti praméswari25. Dipikasieun ku padagang26. Saméméh jadi undang-undang27. Gelaran raja-raja di Mesir28. Ahli agama Islam

KA HANDAP:1. Ombak gedé2. Masalah3. Sato anu pangabeukina lauk4. Senang, mulya5. Biruang Cina6. Bulan Maséhi10. Anak lanceuk13. Korsi empuk15. Jalan karétaapi

16. Kitab suci umat Islam18. Ukuran lega19. Nampa20. Tandatangan pondok21. Kasopanan23. Guru (tina basa Cina)24. Saendeng-endeng

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1434. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1432:

1. Marianthi DelimaJl. Delima Timur X/12 Bandung 40275

2. Roki JanuarJl. Siluman RT 02/07 122/72Cibeureum - Tasikmalaya

3. SuhaidaKmp. Cikuda RW 12 RT 02 48APasirbiru - Cibiru Bandung

1434K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1432

Innalillahiwa Inna Ilaihi Rooji’uun

Mulih ka jati mulang ka pangkonGusti, mugi kénging pangbagéa

Rohmat sareng Rohimna Alloh Swt.

Dr. H. Aan Burhanudin, SH., MH.(Pangurus Besar Paguyuban

Pasundan).Ngantunkeun dinten Saptu, 15 Maret

2014 tabuh 20.00 WIB di RSHS Bandung

Allohumagfirlahu warhamhu waafihiwa fu'anhu, waakrim nuju lahu.

Allohuma laa tahrimna ajrohu walataftina ba'dahu wagfirlana walahu.

Mugi almarhum ditampi iman Islamna, dihapunten sagala

kalepatanana.Sakumna réngréngan pangurusPaguyuban Pasundan sareng Ais

Pangampih Majalah Manglé ngiringsungkawa, mugi kulawarga anu di -kantun, dipasihan jembar manah

sareng kasobaran nampi ieu musibah,henteu kapapanjangan kaleleban. Du’aanu ihlas sing nganteng kanggo nyaa -

ngan al-marhum di alam kubur. Amin.

TTangara

Manglé 246956

LLempa Lempi Lempong

“Keur meujeuhna ramé nyah,Lo.”

“Ramé nu kampanyeu, Mang?”“Enya.”“Sacarana-sacarana, Mang.”“Ih, bet kawas nyieun kuéh?”“Maksud téh réa cara nu di-

jalankeun ku para caleg jeungpartéyna pikeun narik simpatimasarakat, Mang.”

“Oh.”“Aya nu kampanyeu maké SPG

gareulis kawas rék dagang barang,aya nu nanggap artis dangdut, nungajalankeun bakti sosial,kukurusu kan ka lembur-lembur,ngabagi-bagi sembako, jeungsajaba na.”

“Dararagang nyah, Lo.”“Ih, lain dagang, kampanyeu

Mang.”

“Maksud téh dagang program.”“Enya.”“Matak bingung milihna

puguh, Lo. Méh kabéh aralusprogram na. Amis. Matak uruy.”

“Kapan aya patokanana pikeunurang mah, Mang.”

“Naon nu jadi patokanana,Lo?”

“Ku lantaran urang mah hirupdi Tatar Sunda jeung kasundaaan,tangtu baé kudu milih urangSunda.”

“Henteu cukup ku urang Sundawungkul, Lo.”

“Har?”“Tapi kudu milih urang Sunda

anu bener-bener nyaah ka Sunda.Unggal usik mikiran Sunda, miki-ran urang Sunda.”

“Yaktos.”

“Ulah milih anu jadi urangSunda-na ukur lima taun sakali,Lo.”

“Maksudna?”“Ngaku urang Sunda téh ukur

dina waktuna kampeu, ukur butuhku suara wungkul. Ari keur je-neng, atawa témpo geus jenengmanéhna poho yén dirina urangSunda nu ngawakilan Sunda.Pangpangna anu jareneng dipusat, Lo.”

“Bener, Mang. Cenah ceukbéja, réa anggota déwan ti urangnu jeneng di pusat, boro-boromikiran Tatar Sunda dianjanganku urang Sunda gé sok haré-haré.”

“Ulah dipilih jalma nu kitumah.”

“Enya. Lian ti kitu, urang gébutuh wakil di pusat anu bener-bener ludeung jeung vokalmerjuang keun kapentingan KiSunda. Ulah nepi ka di DPR RI téhukur minuhan korsi wungkul baritaya guamna.”

“Tah, geuning pinter Alo téh.”***

Milih Urang Sunda