Mangle 2456

58

Transcript of Mangle 2456

Page 1: Mangle 2456
Page 2: Mangle 2456

Pangaweruh bihari nyambung jeung kiwari. Kitutéh lantaran karuhun bihari boga kasadaran‘ngawariskeun’ pangaweruhna keur mangsa nu

bakal datang. Contona, élmu Sokrates, Plato, Aristo -teles, jeung sajabana natrat nepi ka ayeuna.

Kasadaran jeung kamampuhan nyatetkeun buahpipikiran, jadi cukang lantaran éta élmu terus mekar.Ngan, upama téa mah, pangaweruh téh teu dicatet dinabuku, bisa waé maké jalan séjén. Pawarisan mah bisalumangsung diturunkeun ka murid-muridana.

Nurunkeun pangaweruh sacara langsung bisa nyon -to dunya pasilatan. Masing-masing guru boga muridnu neruskeun tapak lacakna. Ku cara kitu, ajaran sangguru tetep natrat lantaran diteruskeun ku murid-muridna.

Di urang, inohong nu sohor ku rupa-rupa élmujeung pangaweruh téh teu kurang-kurang. Rupa-rupakaahlian, nyampak. Ngan, aya nu ‘karékam’ aya ogé

anu lebeng , ukur kari cenah jeung béja.Nu teu karékam gé bisa rupa-rupa sabab. Bisa jadi

lantaran teu dicatet atawa teu kacatet, ogé teu bogamurid jeung lantaran embung ngamuridkeun. Atuh, nukawas kitu mah, élmuna téh ukur salila aya dina dirina.

Upama inteléktual Sunda lian ti rajin naruliskeunbuah pipikiranana, ogé boga karep nuyun para nono-man sina daék mulungan élmu para inohong téa,tangtu wé bakal loba gunana. Lantaran, ku cara kitu,lian ti mekarna pangaweruh anyar, nu heubeul gé moalleungit.

Karep nuyun para nonoman, jadi penting geusankamekaran Sunda saterusna. Nu kungsi jadi kareueusulah semet ngancik di pribadi éta inohong. Hartina, nubaroga élmu jeung pangabisa téh kudu ngarélakeunélmu jeung pangabisana sina ‘dipuhit’ ku generasisapandeurieunana.

***

Nyambungkeun Kiwari jeung Bihari

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mangle 2456

LAPORAN

Si Jalak Harupat

PEUREUS BINTIH SEUKEUT SIIH

........................................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Jurig Congkang

H.Usép Romli HM .......................... 24

IMPLIK-IMPLIK

Pabukon Ajip Rosidi

di Pusat Studi Sunda

......................................................... 46

SAJAK

Jentréng

Ari Andriansyah .............................. 54

CARITA PONDOK

Handapeun Langit Kulawu

Anggi Novia Dewi ............................ 18

Kembang Ligar di Odessa

Roro ................................................. 20

Tanjakan Abah Surta

Lina Herlina ....................................... 22

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Alit ....................................... 31

Katumbiri .......................................... 36

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (187)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (25)

M.A. Salmun

............................................................. 12

6LAPORAN

Ulah Nyieun Kawijakan nu Teu Mihak ka Sunda!

Po

tre

t : R

eis

yan

Mang Iding jeung baturna tiluan, keurhusu masang-masang spanduk nu di-pakukeun kana tangkal mahoni sisijalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah

Anis, tatangga kuring nu salakina jura-gan tanah. Sawahna satungtung deuleu.

Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang...

20

Perang Potret

Page 4: Mangle 2456

Tutup Taun

Dina nyanghareupan béaknataun 2013, anu pagawéansapopoéna ngagoréng saham

mah ngadadak bangkenu. Soalna,saham tiiseun. Mangkaning cenahlumangsungna nepi ka sababarahabulan. Anu biasana riweuh ti isuknepi ka soré téh loba anu teu puguhcabak. Kitu deui pangaji rupia lamundikurupkeun kana dolar, nyirorotpisan. Ari sadolar geus nitih nepi ka12 rébu mah, saha anu teu salem-pang.

Tapi papadaning kitu lantaranbangsa urang mah tara babariankareureuwasan, nya saralsé baé.Malah kira dua bulaneun deui kanaganti taun, angger wé ramé anu réktaun baruan. Ramé teh dina urusanparebut tikét jeung tempat.Kandara an angkutan darat gé cenahgeus diparesen ti anggalna. Cindek -na, dina mapag taun anyar, bakalsakumaha biasana. Ramé-raméjeung curak-curak.

Sabenerna, kaayaan taun 2013téh matak hariwang. Lain ngan diurang wungkul, tapi di sakuliahdunya. Nurutkeun catetan PBB moalkurang ti 40 persén tina tanaga anuproduktif kénéh malah ngalanggur.Kaayaan saperti kitu tangtu moalmatak bungah. Apan krisis ékonomianu kaalaman ku Amérika baé, teubisa bérés salila opat taun. Basarayat Amérika kalawan sumangetmilih Obama pikeun jadi presidén,harita kaayaan ékonomina téh keurnyirorot. Nu matak milih Obama téhlantaran saréréa neundeun harepan.Enya bener, sabada dilantik Obamalangsung nyusun rencana ékonomi.

Tapi teu bisa lungsur-langsar lan-taran diganjel di Kongrés. Saha deuianu ngaganjelna salian ti anggotaPartéy Republik.

Di nagara anu geus maju jeungdémokrasina geus lancar, dinaémpro na mah bisa kajadian kitu.Lawan pulitik, boh nu aya di Kong -rés boh nu aya di Senat, bisa ngahajangaganjel kawijakan pamaréntahanu sakira bakal populér. Ceuk anugoréng sangka mah, musuh pulitikulah dibéré kasempetan nepi kaprog ram-programna suksés.

Lamun di Amérika waé bisa kitukajadianana, komo deui di urang,meureun. Di urang mah komo, apandémokrasina ogé kakara léléngkahhalu. Upaya Presidén Yudhoyonongawangun koalisi jeung parpolséjén buktina mah manan éféktifkalah ngagokan. Itu ieu pada-padakalah silih réngkas. DitéwaknaPresidén PKS ku KPK apannuduhkeun yén posisi jadi anggotadina kabinét koalisi téh henteu jadimatak ngahalangan kana niatgoréng.

Hanjakal pisan puguh gé. Pada-hal SBY téh hiji-hijina presidén dinamangsa Réformasi anu dipilih kurayat nepi ka dua rintakan. Keunsoal jujur atawa henteuna mah, ngankanyataanana kitu. Kuduna, dinanutupkeun pamaréntahanana téhmatak agul ka saréréa. Lamun bisakitu téh ngaran Yudhoyono gétangtu bakal terus seungit.

Ari dina derna bet henteu kitu.Duka naon sababna SBY nepi kakudu nyorang lalakon pulitik anumatak héran saréréa. Boro-boro

dina pamaréntahanana, dalahpartéyna sorangan gé apan nepi kaawut-awutan. Pantar ketua umumnasorangan nepi ka dicangkalak. Keunku kitu, éta patinggi parpol nuséjénna kalah cengar cengir jeungngaromong ka mana mendi. Cindek -na mah méh taya saurang gé ping-pinan Partéy Démokrat (PD) anuomongan jeung sikepna matak sim-patik rayat. Geus puguheun nu lalak-ina dalah nu awéwéna ogékabawakeun.

Dina jaman Orde Baru lamun ayaparpol anu acak-acakan téh lantaranngahaja diacak-acak ku pamaréntah.Maksudna mah sangkan euweuhsihu ngan. Ari PD mah dirakraknatéh ku partéyna sorangan. Moalenya, ongkoh partéy anu keur nyekelkakawasaan, jaba korsina di par-lemén gé panglobana, naha atuh aridina lebah hayang arék ngagantiKetua Komisi anu mémanghancengan ana sorangan, nepi ka teubisa lantaran ditolak ku anu séjén.

Tah dina kaaayaan urusankanagara an saperti kitu urangbakal nutup taun 2013 téh.Munasa bah lamun rada salempangtéh. Mangkaning sababarahaperusaha an, babakuna anu modalasing, cenah bakal tutup. Bakalbeuki nambahan nu ngalanggur diurang téh. Hiji-hijina anusumangetna nga gedur, nyamaranéhna anu jaradi calonanggota législatif. Keurmaranéhanana mah euweuh deuiurusan nu pangpentingna iwal tinanawarkeun dirina ka balaréa.(AM)

Manglé 2456 3

Page 5: Mangle 2456

Damang AisPangampih Manglé?Hatur nuhun pami dara-mang mah. Nyi Mangle,teu karaos ayeuna teh ahirtaun 2013. Seueur catetannu parantos ku urang ka -tulis. Boh keur pribadiatawa urang damel dipausahaan. Komo deuikeur pamarentahan mah,loba pisan catetan, boh dihade boh nu gorengna.

Tah keur diri pribadimah, catetan teh mung-guh loba pisan nu teu kat-ulis alias teu kacatet.Hartina kacatet di dieuteh, nyaeta poho kananaon nu pernah di-lakukeun. Padahal, heu -euh, catetan teh perluterus diinget-inget.Lamun nu hade, meu -reunan kudu diting -katkeun, lamun nu gorengnya ulah katincak deui.Nya, mudah-mudahanwae dina taun 2014 mahurang teh masing ningkatdeui, alias aya parobahan.

Kumaha upama ketakpamarentah Jawa Barat.Wah... nu kabandunganloba pisan prestasi nugeus kacangking. Pang-haregaan keur Jawa Barattangtu matak bungahkacida. Komo deui etapangajen teh raket tuma-lina jeung karaharjaanmasarakat. Sapertina waeJawa Barat kungsi narimaPenghargaan Satyalan-cana Wira Karya BidangKependudukan dan Kelu-arga Berencana nu papas-rahanana langsungdiserenkeun ku Wakil

Presiden RI dina acarapuncak peringatan HariKeluarga ke-XIX tingkatNasional 2012 di KotaMataram Nusa TenggaraBarat. Eta pangajen tehkatarima ku pamarentahJawa Barat lantaran ieupropinsi dianggap aktipjeung sukses dina widangkapendudukan jeung ku-lawarga berencana. Deui-deui Gubernur Jawa Baratge narima pangajen nu tu-mali jeung MekarkeunPenyuluhan PertanianTingkat Provinsi Tahun2012. Pangajen kawas kituteh, lantaran GubernurJawa Barat AhmadHeryawan kapeunteungarapan gawena, husunanu tumali jeung widangtatanen. Atuh dina widangKoperasi, deui-deui gu-bernur ge narima Satya-lencana PembangunanBidang Koperasi. Narimaeta pangajen lantarankapeunteun hade gawenadina metakeun KUMKMdi Jawa Barat.

Tah, sababaraha pan-gajen, minangka catetankeur Jawa Barat nu pika-hadeeun. Tangtu eta pan-gajen kantun urang tiasamertahankeunana sarengageung mangpaatna, uta-mana keur karaharjaanbalarea.

Sakitu anu kasang-gakeun ka Ais PangampihMangle. Kumaha ari ka-majengan kabudayaanSunda? Mangga eta mahnyanggakeun ka para ino-hong Sunda. Mungsimkuring aya usul, saena

mah kedah aya napak tilaslalampahan kabudayaanSunda, boh sacara ketaknalembaga, boh sacara pri -badi-pribadi dina ngalak-sanakeun pasipatan urangSunda. Kituna teh, supa-dos kamekaran Sunda tehulah mung saukur keurp r i b a d i - p r i b a d i n awungkul. Sakitu wae,hurip Sunda!

Wassalam,

Pa Deni Miharja Sulaeman

Cileunyi Bandung

Tolerasi Agama

Sampurasun!Nyi Mangle, hatur

nuhun kanapanampianana ieu serattiasa dimuat dina ro-hangan koropak Mangle.Simkuring pernah nong-ton tivi perkawis toleransiagama di Indonesia.Cenah toleransi agama diIndonesia luyu jeungharepan, silih ngahargaantur silih mikaasih. Nu jadipatarosan kumaha dinawidang politik? Terusterang cek simkuring mah,dina widang politik mahumat Islam kudu caringc-ing pageuh kancing sar-

ingset pageuh iket. Lan-taran, ari politik mah ‘mis-teri’ tea. Boa-boa baturmah keur masang taktik,ngamangpaatkeun prinsiptoleransi agama tea. Geuspuguh dina hiburan jeungekonomi mah, umat Islamjiga nu geus kasirep kupolah hubuddunya, nungalantarankeun lalolongdina urusan ibadah.

Tah, palebah dieu, me-mang jiga nu jauh tinakonsep tolerasi, tapi buahjeung karasana mah apanbakal aya pangaruhna.Komo deui, dinamateahkeun toleransi diurang mah kurang mere-nah. Majar toleransi tehsarua, padahal lain kitu,tapi luyu jeung kaayaanmasing-masing. Teu bisadisaruakeun antara may-oritas jeung minoritas.

Sakitu wae, mudah-mudahan di Jawa Baratmah, tolerasi antar agamamasing jadi rohmat, pang-pangna umat Islam mas-ing palinter dinamateahkeunana.

Hatur nuhun ka AisPangampih Mangle.

Baktos,

Randi SaputraTi Sukabumi

4 Manglé 2456

NEDA TAWAKUP

Ajén citak Manglé No. 2455 kirang saé, jalaranaya kalepatan téhnis ti percetakan. Tangtos ajénsapertos kitu téh kirang nyugemakeun para mitraManglé. Kumargi kitu hapunten anu kasuhun.

Hatur nuhun.

Redaksi

Catetan Ahir Taun

Page 6: Mangle 2456

SUGAN téh geus dipopohokeun.Da éta asa geus lila tara pisankacaturkeun. Sihoréng geuning

teu kitu. Pemda Jabar tayohna ingeu-teun pisan yén sapuluh taun ka tukangkungsi ngalahirkeun tilu perda nyaétanomer 5, 6 jeung 7. Éta tilu perda nudijieun taun 2003 téh disebutna PakétPerda Kabudayaan. Pangna kitu, kulantaran masing-masing perda ngaturperkara anasir-anasir kabudayaan.Perda nomer 5 ngatur perkara basa,sastra, jeung aksara Sunda; perdanomer 6 ngatur perkara kasenian;sarta perda nomer 7 ngatur perkarakapurbakalaan, kasajarahan, ajéntradisio nal, katut musieum.

Éta 3 perda nu ngatur perkarakabudayaan di Jawa Barat téh lainperda anyar. Lain

perda nu lahirna karék taun 2003.Da saméméhna geus aya perda nungatur perkara

kabudayaan. Geus ti mimiti taun1996 mula. Perda nomer 6 taun 1996ngatur perkara basa, sastra,

jeung aksara Sunda, sarta perdanomer 7 taun 1996 ngatur perkaraseni budaya. Ngan éta dua perda téhdianggap can sagemblengnangagambar keun kakayaan budayaJawa Barat. Ku sabab kitu, tujuh taunti sabada gelar, éta perda téh dirévisi.

Perda nomer 6 taun 1996 nungatur perkara basa, sastra jeung ak-sara, dirobah jadi perda nomer 5 taun2003. Ari perda nomer 7 taun 1996dimekarkeun jadi dua perda nyaétaperda nomer 6 taun 2003 jeung perdanomer 7 taun 2003. Dina perda nomer6 taun 1996 nu ngatur perkara basa,

sastra. Jeung aksara téh dina jejernadisebut Pelestarian, Pembinaan danPengembangan Bahasa, Sastra, danAksara Sunda.

Aya dua basa daérah lianna diJawa Barat nyaéta basa Cirebon,sarta basa Malayu Betawi. Éta duabasa daérah téh teu diréngkolkeundina perda nomer 6/1996. Ku lan-taran kitu, dina perda 5/2003 mahéta dua basa daérah téh kaasup duabasa nu milu diatur babarenganjeung basa Sunda. Jejer perda nomer5 taun 2003 anu mangrupa hasilrévisi tina perda 6/1996 téh robahjadi Pemeliharaan, Bahasa, Sastradan Aksara Daérah. Perda 7/1996 nudirobah jadi dua perda téa,ngalahirkeun perda nomer 6 taun2003 anu jejerna PemeliharaanKeseni an, jeung perda nomer 7 taun2003 nu dijejeran PengelolaanKepurbakala an, Kesejarahan, NilaiTradisional dan Museum.

Ku alpukahna Dinas Pariwisatadan Kebudayaan (Disparbud) JawaBarat, sapuluh taun ti sabada étapaket perda kebudayaan téa dijieun(deui), diyakeun sawala anu mang -rupa évaluasi kana éta tilu perda téa.Para ahli diperedih malar ngimeutanéta tilu perda téa naha masih kénéhluyu pikeun diterapkeun dina mangsakiwari atawa henteu. Pagna kitu, kulantaran apan pajamanan kiwari téhréa pisan robahna tina pajamanan 10taun ka tukang. Pangpangna dina sis-tem pamaréntahan katut palaturanperundang-undangan anudilahirkeun ana.

Tapi tétéla sabada disaliksik mah

horéng dua tina tilu perda nukawengku kana Pakét PerdaKebudaya an téh, nyaéta Perda No. 5Tahun 2003 tentang PemeliharaanBahasa, Sastra dan Aksara Daerahhenteu kudu dirobah. Nu kududirobah mah aturan ngalaksanakeun -ana. Da réa pisan amanat éta perda nunepi ka kiwari tecan kénéh dilaksana -keun. Ku lantaran kitu, kelompok ka-jian Perda No. 5 taun 2003 sapukpikeun henteu ngaropéa perdana, tapingusulkeun malar surat keputusangubernurna, anu aya patalina jeungéta perda, dioméan deui. Usul-usul téaditepikeun dina wangun rékomendasi.Nya kitu deui ngeunaan perda nomer6 taun 2003. Perdana henteu kududirobah, tapi kudu diimeutan deuinaon waé anu can dilaksanakeun tinaéta perda.

Nu kawilang kudu dioméan mahnyaéta perda nomer 7 taun 2003. Kulantaran tétéla éta perda téh geus teuluyu jeung kamekaran pajamanan ki-wari. Dina watu nu ngan dua poé,nyaéta tanggal 25 jeung 26 Nopémber,ngaropéa perda téh moal lekasan. Nyakitu deui nyaliksik dua perda lianna.Ku lantaran kitu, Disparbud Jabarbaris ngariungkeun deui para ahli téapikeun nyawalakeun nu leuwih dariaperkara Pakét Perda Kebudayaan téa.Sugan jeung sugan, rékoméndasi paraahli téh bakal aya peuranha, turtadigugu kunu nyangking kawijaksana -an.***

[email protected] Pengelola Akademi

Budaya Sunda Unpas

DI KIWARI MACA BIHARI (28)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Pakét Perda Kabudayaan

Manglé 2456 5

Page 7: Mangle 2456

Universitas Padjadajaran Ban-dung memang payus disebutpuseurna budaya Sunda,

kawantu ngadeg tina kahayang para ino-hong Sunda nu hayang miboga paguronluhur nu ‘nyunda’. Ngamumule budayaSunda nu memang geus jadi “renstra(rencana strategis)” Unpad, terusdigedur keun nepi ka kiwari utamanadina mangsa kapamingpinan RektorHimen dra Wargahadibrata nu saterusnaleuwih dihangkeutkeun deui ku GanjarKurnia, rektor Unpad ayeuna. Meh ung-gal bulan Unpad maneuh magelar keun

kasenian Sunda di Gedong Kasenian BaleRumawat Padjadjaran Jl. Dipatiukur 35Bandung, kitu deui kagiatan kasundaanlianna saperti diskusi, padung dengan,seminar, Olimpiade Olah Raga Tradi-sional (OOtrad), jsb, remen diayakeunboh di kampus puseur atawana di Jati-nangor. Aya nu narik, nyaeta ku ayana“Keurseus Dasar Kabudayaan Sunda”, nukacatet ku Mangle geus dua kali digelar,nu kahiji lumangsung tanggal 18-19 De-sember 2012 di Bale Rucita (kratif/ -motekar) nu pamilonna ti lingkunganpaguron luhur/mahasiswa nu aya di Ban-

dung, nu kaduana cikeneh tanggal 26November 2013 nu lumangsung di BaleRumawat kalayan diiluan ku paracaleg(calon legislatif).

Maksud jeung tujuan ngayakeunkeurseus ieu, cek Ganjar, kiwari lobapasua lan nu kudu dibeberes di tatarSunda. Memang urang Sunda sacarakuantitas mang rupa seke seler bangsakadua panglobana satutasna etnis Jawa,sajarahna ge leuwih kahot ti bangsalianna, alamna nu subur mamur gemahripah loh jinawi, tapi kiwari tinggalwaasna. Ampir sakabeh widangkahirupan ana saperti kuali tas paming-pin, kabudayaan (beunghar tapi kurangdikokolakeun), SDM, tehnolohi, jeunglingkungan (ruksak disasaak ku jalmaharak) eleh wowotan dibandingkeunjeung seke seler bangsa lianna. Krisis ka-sundaan ieu cek Ganjar balukar tinalobana kawijakan pamarentah nu teu proka Sunda.Tah kukituna sakumaha nuditepikeun dina keurseus kahiji, nu uma-jak ka para mahasiswa sangkan milihpamingpin nu mikanyaah ka Sundana,Ganjar ge umajak ka para caleg dimanajadi pamingpin ulah nyieun kawijakannu ngarugikeun Sunda, ulahkorupsi(angka korupsi di Jawa Baratpangluhurna), lian ti kitu urang Sunda geulah dijadikeun komo diti (dijual),cindek na ulah nyieun kawijakan nu teumihak ka urang Sunda!

Memang lebar kacida lamun TatarSunda nu cek Prof.Dr.Adjat sudrajat(Guru Besar (Emeritus) Fakultas TeknikGeologi Unpad nu harita jadi pangjejerkeurseus), beung har Sumber DayaAlamna teu diolah, teu dikokolakeun

jeung teu dibeberes, “Tatar Sunda kaa-sup seler bangsa nu pepek rajakayana:aya bahan tambang, pakebonan, tutu -wuhan, pasawan jeung cai curcor di -mamana. Kitu deui minyak tanah jeunggas.Cai/curug bisa dijieun listrik (PLTA),kitu deui tina panas bumi.Kulantaran ayaenersi, bahan tambang, material wangu-nan, aya pabrik semen jeung aya pepela -kan sarta bahan pangan, sigana tatarSunda mah lamun kudu hirup berdikariteh moal hariwa ngeun”, kitu saurnareueus.

Lian ti eta, sakumaha nu dipedar ku

6 Manglé 2456

Ulah Nyieun Kawijakannu Teu Mihak ka Sunda!

Rektor Unpad: Ulah nyieun kawijakan nu teu pro Sunda!

Page 8: Mangle 2456

Manglé 2456 7

Dr.Mumuh Muhsin, Sunda nu sacara eti-mologi hartina :cahaya an,caang, bodas(basa Sansekerta “sund”/ “suddha”)atawa tina basa Kawi/Bali “sunda” nuhartina: bersih. Suci, murni, taya ceda,cai, tumpukan, pangkat jeung waspada,sacara geografis ku ahli geografi YunaniPtolemaues(90-168 M) kecap “Sunda”digunakeun pikeun nunjuk hijiwewengkon wetaneun India. Kitu deui kupara geolog Eropah generasipandeurieun ana nu nebut Sunda pikeunhiji dataran palebah “barat –laut”IndiaWetan, sedengkeun lebah kidul-wetan(tenggara) disebut Sahul. Saterusna,sajumlah pulo di dataran Sulawesi jeungKalimantan” jeung “Kepulauan SundaKecil (Pulo Bali, Lombok, Sumbawa,Sumba, Flores, jeung Timor). Sunda geboga sajarah karajaan nu kahot nu titing-galna masih keneh disimbutan kulalangse aheng saperti Candi Batujaya(Karawang), Candi Bojong Menje(Ranca ekek Kabupaten Bandung), SitusGunung Padang (Ci anjur), LebakSibedug Kabupaten Lebak – Banten,jsb.Sajarah karaja an di Tatar Sunda nugeus puguh aya titinggalna mah KarajaanTarumanagara (abad V-VII), sabab sum-ber nu nuduhkeun eksistensina kawilangweweg naeta Prasasti Ci aruteun (hurupPalawa) jeung Prasasti Kebon Kopi,Prasasti Pasir Jambu, Prasasti Ci -dangiang, Prasasti Tugu, sarta sumberberita ti pandita Budha terah Cina nungaranna Fa-Hsien, dina taun 414M.Malah samemehna Taruma nagara geaya Karajaan Salaka nagara (abad II-IV)ngan cek Mumuh, sumber nu jadipanyarandean ana rada hengker. Sabadaruntagna Karajaan Taruma nagara (taun670 M), aya dua karajaan panerusnanyaeta: Karajaan Sunda, nu pernahnakulo neun Citarum (abad VII-XV, dinaabad ka-15 ieu puseur Karajaan sundapernahna di Pajajaran , Bogor kiwari)jeung Karajaan Galuh (Ciamis), wetaneunCitarum (abad VII-IX).Mumuh ge nyabit-nyabit dua tokoh raja Sunda nu kawentartur jadi kacapangan nepi ka kiwari nyaetaPrabu raja wastu/Niskala Wastu Kan-cana/ Sang Mokteng Nusalarang (1371-1475, putra Maha raja Lingga Buana nugugur di Bubat) jeung Ratu Jayadewata,Parabuguru Dewata prana, Sri BadugaMaharaja nu kawentar Prabu Siliwangitea (1482-1521).Terus nepi ka jamankakawasaan Mataram jeung Walanda,Inggris (Walanda deui)jeung Jepang.Dina pamustungan ana Mumuh gengeces keun ka para caleg, urang Sunda gegeus mere kontribusi nu kacida gedena

pikeun kamajuan bangsa jeung nagara,tapi, “Can aya panalungtikan nu daria,sacara kuantitatif, sabaraha lobana urangSunda jeung saha wae ngaranna nu miluancrub langsung ngokolakeun ieu nagaradina widang eksekutif, legislatif, yudikatif,jeung dina widang sejen na. Seug komolamun diitung prosentaseuna jeung enissejen na mah. Aya sababaraha dianatarananyaeta: Dewi Sartika, Iwa Koesoe ma Soe-mantri, Oto iskandar di Nata, Ir.H.Juanda,kusumahatmadja, Sjafrudin Prawira -negara, jeung rea-rea deui”.

Pangjejer nu lianna Prof.Dr.DedeMariana (‘Pulitik Urang Sunda’, dimuatdina Mangle No.2454, kaca 28-29),Prof.Dr.Cece Sobarna (Basa Sunda jeungUnak-Anikna), Dr.Gugun Gunardi jeungTaufik Ampera, M.Hum (Basa sunda Ka-mari, Kiwari jeung Bihari).

Ku ayana keurseus budaya Sunda ieukeur para caleg mah kacida pentingna,malah kudu noron diayakeun.Sabab CekAsep Suryana (Caleg ti PKPI-Dapil JabarI No.7) ku wanoh kana budayana, urangbakal bisa nanjeurkeun ekonomi nu hadejeung pulitik nu jujur jeung bisangarobah sipat urang Sunda nu kiwarikawentar sok “heurin ku letah” jeung“eraan”. Budaya ge jadi simpay pama -geuh (perekat) bangsa, kukituna budayaSunda wajib dimumule ku sakabeh gene -rasi, sabab lamun ilang budaya na nyaleu ngit oge bangsana, kitu cek AhmadYaman Muharam ti Partey Hanura

(Dapil Jabar 12 No.2) bari nganuhun-keun ka Rektor Ganjar Kurnia jeungpihak Unpad nu geus ngajak ngamumulebudaya Sunda sabab luyu jeung motonanu:”Amanah (lain –aman –ah), nga -lawan korupsi, jeung nga mumule bu-daya Sunda”. Keur Tien Kosmaya (CalegNo.1 ti Partey Bulan Bintang-dapil 10Cirebon-Indra mayu) jeung Mita S.Fauziah (Caleg PAN –Jabar I Bdg-CmhNo.7 )ku ayana keurseus ieu, panga -weruh budayana Sundana jadi namba-han, jeung jadi apal kana naon-naon anukudu disanghareu pan/dibeberes dinangawangun Jawa Barat, “Saperti ulahngaruksak lingkungan sareng dimanangadamel perda kedah diluyukeunsareng kabutuh Jabar,” Kitu saurna.

Nu narik kamandang Man Surya Manik(Caleg PAN Jabar I Bdg-Cimahi), sok sana-jan terah Langkat (Karo-Sumut)tapi uma-jak ka para pamingpin Sunda sangkanngaca kana karajaan Sunda baheula numampuh nyakrawati ngabahudenda salila800 taun, teu perlu ka luar diajar politikmah cenah ge. Man Surya ge nyebutkeun,budaya teh kacida pentingna, sababpangwangu nan ge pamianganana tehdimimitian tina sistem niley budaya satem-pat, “Sistem niley mah raket pisan jeungakar(budaya), sabab pangwangunan tanpasistem niley bakal jadi robot. Jalma-jalmajadi materialis jeung moal dalit jeungalamna!”, Kitu pokna tandes.***ASEP GP.POTTRE: Asep GP.

Para caleg pamilon keurseus budaya sunda.

Page 9: Mangle 2456

Manglé 24568

Page 10: Mangle 2456

Manglé 2456 9

Page 11: Mangle 2456

10 Manglé 2456

Bagian

187

Komarujaman rajamasagi. Luhungpangaweruhna, jem-

bar pangabisana. Katam-bah deuih beurat beungharlantaran raja kayana ti dituti dieu. Keur mah étakaraja an gé geus beungharti tadina, katambah deuihharta babawaan Komaru -jaman gé sakitu lobana.

Cindekna, rumahtangga Komarujamanpinuh ku kabungahan.Runtut-raut kalayandipikacinta rahayatna. Kitutéh, lantaran rahayat géngarasa ditalingakeun kurajana.

Kabagjaan rumahtangga raja nambahan, daturunanana mulus rahayu.Ninggang kana paribasajadi kembang karaton nujadi harepan sakumnapangeusi nagara. Kitunatéh, lantaran peta jeungparipolahna éstu tayacawadeunana. Malah, padamuji, lantaranpikayungyuneun.

Galibna putra raja,pangeran nu duaan téhmekar kalayan meunangpangaping ti guru-guruna.Atuh, teu sing anéh mundina kamekarananan téhlain ukur tambah umur,tapi deuih nambahanpangabisana.

Peuting ka-220Gancang carita, putra

raja nu duaan téh tuwuhjadi nonoman nu manjingkana kekecapan, dedegsampé rupa hadé dibarungku jembar pangabisa. Kitudeui wawanénna, lantaranmanjing guru dina sualélmu perang gé. Ku lan-taran kitu, raja kacidabungah na, sabab geus bogaangkeuhan aya pigeusa-neun nu neruskeun lalam-pahan karajaan dinamangsa nu bakal datang.

Keur ngalalanyahansina bisa ngurus ngatur na-gara, raja gé mimitingawarah barudakna sinadiajar maréntah. Carana,

mun raja lunta jauh, nu di-jadikeun wawakilna téhpangéran nu duaan téa,silih genti sapoé éwang. Kucara kitu, lain waé duananabisa ngurus nagara, tapideuih tumuwuh silihpikanyaah di antara duadulur sabapa.

Beuki lila, putra rajabeuki sohor. Loba nu nga-haja hayang nempo di kieu -na, najan barisusulumputan. Tah, nuboga karep kitu téh,umumna mah para rumajaputri pangpangna ti golo -ngan santana.

Horéng, nu mikaresepka putra raja téh, lain waébatur, tapi indung téréna.Bet sarua deuih kituna téh,Putri Budur kajiret rasa kuputra Hayati Nufus, jeungsabalikna, eta putri raja Ar-menos mah kapincut kuanak Putri Budur. Ngan,tangtu wé masing-masinggé nyidem rasa sangkan teubetus ka nu séjén.

Rasa asih ka anak téré,lila-lila mah jadi mamala.Da, geuningan masing-masing haté indung téré téhteu bisa disisilihan. Cin-

dekna geus kajiret hatékapentang asmara ku ma -sing-masing anak téréna.

Lila-lila, putri HayatiNufus teu bisa nahan rasahate nu ngagolak dinadadana. Atuh, ahirna mah,ngawani-wani nulis suratsarta sina dianteurkeun kubadégana. Kajadiananaa,jadi uru-ara. Da, lain waéditolak sapajodogan,utusan ana nu ngan-teurkeun surat gé ditandasanepi ka hanteuna.

Kitu deui Putri Budur,bet kawas talajak PutriNufus. Nya kajadianana gé,sarua wé jeung nu kalamanku utusan Putri Nufus téa,tiwas ku putra Komaru -jaman.

Kajadian kitu,ngageunjleung keunpangeusi karaton. Ngan,tacan kaémpér-émpér arika luar mah, lantaran ma -sing-masing pihak satékahpolah nyimbutan éta kaja-dian.

Kumaha Komaru -jaman? Harita téh keur teuaya di peuseur nagra. Keurmoro ka pasisian sapertibiasa nganteur kalangenan -

Page 12: Mangle 2456

Manglé 2456 11

ana. Kabiasaan kitu, beukiremen, lantaran ngarasajongjon da aya tugur nubisa ngurus nagara.

Satutas Pangeran Asadnelasan utusan indungtéréna, ieu putra HayatiNufus téh ngadatanganPangeran Amjad. Pok wéhnétélakeun kajadian nucikénéh karandapanana.Taya nu didingding kelir,satarabasna dicaritakeun.Dina tungtung omongan -ana, kedal ucap. Cenah,mun seug teu ras inget kalanceuk mah, tangtu wePutri Budur gé ditelasanpati.

Réngsé cacarita, Asadngarangkul lanceukna.Atuh, puguh wé PangeranAmjad gé kacida kagetnangadéngé omongan adinakitu téh. Da, cenah, dinahiji waktu basa keur dikaraton, inyana gé kadata -ngan utusan nu mawa suratti Putri Nufus. Eusina, tayalian ti saperti nuditétélakeun dina surat nukatarima ku PangeranAsad. Cindekna, masing-masing indung téréna téhgeus boga haté nirca leupastina papagon agama jeungdarigama.

Tiwasna utusan, teu bu-rung jadi pikiran keur PutriBudur jeung Putri Nufusmah. Kacipta, ahirna mahbakal tamiang meulit kabitis, da puguh maranéhnabibit-buitna. Ku lantarankitu, masing-masingpikirna gé rék nyieun ale-san sangkan dipiandel raja.

Kocap Raja Komaru -jaman, geus waktuna mu-lang. Bring arindit tikemahna, muru jalan nu pi-brasaeunana ka puseurkarajaan. Sajajalan téhgumbira naker, lantarandina sajeroning aya dipamoroan téh meunangkasenangan, bisa nganteurkaresepna sakasuka.

Jauh teu burung cun-duk, anggang teu burungdatang, rombongan pa -ngiring raja nepi ka wateskota. Saperti biasa dipapagku para gegedén nagara.Ngan, tangtu wé raja téhkagét lantaran garwanamah teu tembong. Kitu téhtara-tara ti sasari.

Anjog ka peuseur kota,raja langsung muru kara-ton. Kaayaan di dinya téhsuwung naker. Salahsaurang putrana nu kudunamah aya di karaton teukasampak, suwung teuingka mana.

Ti dinya Komarujamanlungak-longok ka tempatgarwana. Teu tembongdeuih, da cenah, geussababaraha poe numpimanéh. Raja beukipanasaran, lantaran nepi ka

danget éta mah, taya béjananaon nu ka Komaru -jaman. Kitu téh, sabab ma -sing-masing pihak teuwanieun nyaritakeun kaja-dian nu sabenerna.

Barang bréh PutriBudur nempo salakina asupka kamar, manéhna lang-sung ngagabrug salakinabari ceurik semu nukanyenyerian. Teu kungsiditanya, gorolangnétélakeun pangakuanana.Cenah, meunang kanyeri tianak téréna, nu humayuawani ngajak milampah nuteu uni. Atuh, puguh wéraja téh kacida ambekna.

Gejlig raja kaluar ti étakamar. Makusdna nga-datangan Putri HayatiNufus, rék nyeukseukan pa-majikanana lantaran teubisa ngajaga nu jadi

anakna. Ngan, barang bluska kamar, Hayati Nufus gélangusng ngarangkulsalaki na. Ceurik sisimekeunnyaritakeun talajak anaktéréna.

Ngadéngé pangakuanpamajikanana kitu, RajaKomarumanan ngahulengngaraga meneng. Hémengku éta kajadian. Ceukpikirna, nu karandapan kukulawargana téh aéb anupohara nu moal bisa di-ubaran deui.

Keur salakina nga -huleng kitu, Hayati Nufusneruskeun caritaanana.Cenah, upama Komaru -jaman teu ngahukumanak téréna, tangtu étakajadian téh bakaldibalaka keun ka kolotna,ka Raja Arménos. ***(Hanca)

Page 13: Mangle 2456

12 Manglé 2456

9

Eundeur geunjleung,ewor genjlongna bab raja -pati Tagogapu, nyebarsakuliah Priangan, parat kaBatawi, Banten, Cirebon.Beja pabeja-beja.

Boh pihak Usman, bohpihak Belem, sasatngadukeun kabeungharan,ngadaratangkeun adpokatnu palinter ti Batawi. Kop-mayar jeung Demang padaembung eleh perkarana,masing-masing ngabarela -an “geugeuleuh” anakna.

Nyi Rapiah dibejaan yensalakina dibui sarta marunaditahan téh, teu jiga atoh,teu jiga susah, jawabnasemu mupuas: “Lamunjalma boga dosa mah ulahmungkir kana hukuman -ana. Naha bet ngapeskeunteuing diri, aya aom parebutawewe! Apan bejana aripikeun menak mah awewetéh kari niiran: ieu mahkalah ngudag-ngudag

pamaji kan nu geus karuhanngaranjed.

Eta deuih awewena,magar ari agan mahbalageur, tara bangor, tapibuktina Si Sariningrat geu -ning leuwih galadag batanawewe nu imahna dicirianku lantera beureum.”

Omongan Nyi Piah kitu,teu ku henteu bet aya nunepikeun ka ibuna Usman,atuh asa disundut, asadirojo kan, pudigdag ambek.Eukeur mah tadina ge teupanuju anakna kawin kaNyi Rapiah téh. Ingetananahayang puas rek diontrogdicarekan laklak dasar, ditundung sapajodogan, rekdikukuprak sina turun tigolodog sapada harita, di-lalajoan ku tatangga,ngolosod ngelek buntelan.Ngarah puas deuih, Usmansina nyieun surat talak dipangberokan, diburubuttalak tiluanana diragrag -keun ka Nyi Rapiah, cumahbae diingu ge caah mah sok

mawa sial, basana.Da enya, ari ibu Usman

mah geus teu beunang ditawar deui, asa heueuhyakin, yen pangna Usmannepi ka naas kitu téh magardumeh boga pamajikan kaSi Rapiah, Si Cacahbangkawarah purah mawaapes kana darajat salakinapokna téh.

Sihireng teu di menakteu di cacah, ari keur dirak-suk ku napsu, dijajah kuamarah mah sok poho kanaduduga-peryoga, cara ibuUsman, sasatna teu dibereeling yen manusa téh teuaya nu punjul. Ari ieuangkeuhanana: “Pirakuaing eleh ku pantaran SiRapiah, cacah tur budak ka-mari ieu.” Paingan cekkolot, lamun jalma geussombong takabur nguyup-nguntup ka nu lian, ilahar -na sok tigubrag.

Sanajan dihalang-ha-lang ku Ki Demang ibuUsman keukeuh merodhayang puas mepehek NyiRapiah, basana ge: “Moalanak aing nepi ka kitu,lamun teu lantaran kabawasial ku Si Eta!”

Duka kumaha badamina

jeung bupati jeung jaksamah, tapi ibu Usmankalawan disaksian kupanghulu jeung kalipah,kaidinan ménta surat talakti Usman; nulisna di -poncongok ku sipir hareu -peun panghulu jeungkalipah.

Ari kalipah téh kapi uaNyi Rapiah téa, nu barétojeung lurah nyaksian suratperjanjian, geuning.

Ngingetkeun buruk-buruk papan jati, ngadéngéomongan ibu Usman téh KiKalipah teu ngareunah. Daéta Nyi Demang téhngomong kawas nusakaingetna, rupanaawahing ku panas jeungambek geus teu kawadahan.Di antara omonganana ayanu kadéngé ku kalipah, teunyahoeun yén barayana.Geus sagala bérés, kenclingkalipah nepungan suan,paralak nyaritakeun, yénpagéto isuk-isuk ibu Usmanjeung sawatara ménakawéwé rék ngontrog malahrék ngajak Gan Ali, mi-nangka gebragna. Gan Alitukang teunggeul nu kungsidicoo sirah ku Si Roda téa.

Ceuk Nyi Rapiah:

{ 25 }Ku M.A. Salmun

Page 14: Mangle 2456

Manglé 2456 13

“Nuhun Ua kuring dibéjaanjadi bisa sasadiaan.”

Balik ti suan Ki Kalipahteu wudu rebo, ngéléksamping jeung encit jabaringgit opat mani baruleud,atuh keupatna gé siga nupohara ka soroan.

Nyi Rapiah, buaya géatuh lain rék gimir ku mi-toha pantar ibu Usmanmah, malah panasaran,hayang geura pagéto, asanaon paséa jeung mitohaménak.

Nyi Rapiah teu gedagbulu salambar,

éstuning enya wani, ngayonan mitoha, malah mah panasaran, hayang geura gok

panggih, arék diwarah, ménak nu lengus budi.

Hayang puas arék di -tunjuk matana,

bongan kacida teuing, ngahina ka somah, ngahampas nganggap

murah, jauh ti ménak nu lantip, ménak enyaan, nu pantes dipupusti.

Pagétona, Nyi Rapiahgeus sadia cara rék kadata -ngan tatamu nu ngalamarbaé, patengahan dikaput kualketip buludru; gardengjeung lalangsé wareuteuh;bilik ngahaja dikapur, di-dadak mangkukna, malahngahaja dipasangan eun -teung anu satangtung, di-hapit ku bulu merak; lampugembreng nu ngagantung ditengah, diganti ku lampukeron, gagantélna ku kari -lon leutik, mun oyag téhdisada nang-néng-nongmatak resep. Ti kamarikénéh patengahan téh bilik -na geus disaput ku sampingkebat nu marahal beunangngukup ku setanggiMakasar, seungit éstuningsanten-leleb mawat sareh

pangjinglar amarah. Di te -ngah-tengah alketip, ayasutra wilis dipaké tapakwadah seupaheun perak be-unang ngukir, diadu manis -keun jeung emas, buatanKota Gedé nu biasa dipakéku para putri Jogya-Solotéa. Tampolongna kuningandisopal perak buatanSumedang, tingponcorongcara emas anyar di besot.

Cindekna pasang petapatengahan imah NyiRapiah téh megah-mewahkeur ngébréhkeun ainganak haji Abdullraup salahsahiji sudagar pangjegudnadi Priangan. Upama urangabus téh, kakara pantar NyiPatih baé mah pasti ngarasayén dirina leutik, katitih,kakeupeul ku kabeung -haran sudagar.

Komo upama nu abusnaninggang di jalma nu biasaserab ku haliah dunya mah,jalma anu biasa ngukurluhurna martabak manusa

ku hurung-hérangnapangabogana atawa kuluhur pangkatna.Samarukna kamulyaanjalma téh anggeus ku sugihdunyana, luhur pangkatna.

Atuda sapoé jeput ka-mari, ibu Haji Banisahtukang hias pangbinangkit -na di Bandung dibantu kulimaan juru hias nu sangkirtur bangkit mani pakepukngarobah patengahan imahNyi Rapiah jadi kamar“Sarebu Samalem”, sasatmindahkeun patengahanHaji Abdulraup nu mewahcara patengahan kabupatentea.

Nyi Rapiah teu ngitungolok tombok, nu dipambrihsupaya mitoha katut agan-agan nu ngariringna kincuphaténa, kapeupeuh kukapoharaan banda diimahna.

Nyi Rapiah teu dangdansataker tanaga. Keur geulistéh katambah bisa maké

jeung sadia nu baris di-pakéna turug-turug kaju-rung ku hawakabeungharan gedé haté,atuh puguh baéngabaranyay mah, ceuk SiRoda téa mah putri Mesir(maksudna Cleopatra) gésujud ka béntang Bandungmodel Nyi Rapiah mah.

Geusa ngungkulan geb -rag Gan Ali, Si Roda dang-dan kabuayaan, dicalanapangsi hideung gober, bajukamprek wulungdibeulitkeun ku sampingSamarenda hejo ngagedod;handapeun kelin baju tem-bok tungtung sarangkabedog, kai saparantu, sopaljeung simpay perak. Toto-pongna batik sisi dibarang-bang-semplakkeun; geulangbahar jeung ali loklak teutinggaleun. Rante erlojinekel ngajepat sagedecuruk, gagantelna batu ki-jang sagede gambir,ditamba han ku sawatara alusuasa mata batu.

Kira-kira pukul 10, bu-rudul aleutan Nyi Demangasup ka pakarangan NyiRapiah. Panghareupna NyiDemang ngarendeng jeungNyi Rangga. Di tukang NyiProyayi duaan, ditema kudua lajang, pangiring.

Nyi Rapiah geus meu-nang dangdan téh ngahajateu turun ti tepas, pura-pura teu hideng bae.Daweung na teu jiga nuajrih, malah sabalikna, jigaRaden Ayu rek nampa nungadeuheusan. Sarerea olo-hok, bari maju ka tepas téhtingkecewis heran. Gan Alingagegag tukangeuniringan, jiga menak tukangteuteunggeul téh. Lol SiRoda nembongan ti gigirimah dibarengan ku SiJobang nu kongas peureup -na mani ngebul bawaningtarik. Nu ngagegag téhngadadak robah gadagjeung salin reret.

(hanca)

Page 15: Mangle 2456

Pangandika Alloh SWT dina AlQuran nu hartosna: "Kamigeus ngawasiatan ka manusa

(ngeunaan) indung bapana. Indung -na nu geus ngandung kalayan lemahanu lineuwih jeung nyapih tinanyusuan sajero dua taun, (nyaéta)prak muji syukur ka Kami jeung kaindung-bapa manéh. Ka Kamimaranéh mulang." (Surat Luqmanayat 14)

Miéling Hari Ibu, Poé Indung,keur urang salaku muslim tangtosnakacida pentingna. Lain ukur sérémo-nial, tapi aya nu langkung peryoginyaéta ngémutan deui pancén ibadahti Alloh ngeunaan peryogina urangmulang tarima atanapi tasya kur kananimat anu teu kinten ageung nanyaéta gumelar ka dunya nuhakékatna kersaning Gusti tursaréatna ku jasa kolot, utamina nujadi indung.

Geura hayu urang lenyepan deuipidawuh Alloh di luhur ngeunaanpangorbanan indung urang dinanampi amanat ti Gusti mangrupabuah cinta sareng carogéna, bapaurang. Salami kakandungan,bubureuyeu ngan, nyanyandak urangdina kandunganana éstu sobar teuaral subaha. Éstu titih rintih ngajagasi utun inji bisi kumaonam, bélaanngorbankeun kaperyogian dirinasora ngan. Sok asal titipan Gusti téakatalingakeun enya-enya.

Ana geus gubrag, miarana leuwih-leuwih. Disusuan mang bulan-bulananu lain padamelan édél-édél,nandon keun nyawa carékbabasaanana. Bélaan teu reup saré dasieun jimat awaking ngarenghiknangis lapar hoyong cienén.

Cindekna mah jasa indung ka

urang kacida gedéna. Ku kituna, Allohngawasiatan ka sakumna manusasangkan salawasna nginget-ngingetjasa kolot, indung-bapa, pangpangnaindung ku cara syukur nimat,ngalaksana keun paréntah Allohsareng RosulNa. Lian ti éta, kedahnebihan sagala rupa cegahan ana.

Sabada urang ibadah ka Alloh, nyakedah babakti ka nu janten sepuh, in-dung jeung bapa. Sabab, kolot urangtéh minangka cukang lantarangumelar na urang ka dunya nya kitudeui tinemu jeung kabagja an éta téhteu leupas tina jasa indung jeungbapa.

Sikep ahlak anu hadé minangkamodal utama babakti ka nu jadi kolot,nyatana ulah nepi ka ngaraheu tanhaténa. Malah dina hadis apanditerang keun: "Aljannatu tahta aq-daamil ummahaati. Sawarga téh ayadina dampal sampéan indung." (HRAhmad)

Naon hartina éta hadis? Urangmoal bisa manjing sawarga lamun teubisa némbongkeun ahlak pinuji ka nujadi indung. Najan leket ibadah kaAlloh, hadé ahlak ka sasama, tapigoréng lampah ka nu jadi indung, soknganyerikeun haténa, panto sawargabakal ngonci rapet. Sabalikna pantonaraka muka ublug-ablag.

Demi karidoan sareng bebendonAlloh téh gumantung kana karidoansareng bebendon kolot, indung jeungbapa. Jéntré pisan pentingna urangjadi anak soléh lamun hirup hayangsalamet dunya rawuh ahérat. Saur kijuru pantun:

"Tumpak sado ka Sayati, mawa lu-tung aya lima. Rido sareng benduGusti, gumantung ka ibu rama."

Naha panto sawarga teu muka

najan urang getol ibadah? Atuh komolamun tara ibadah? Nyaéta ku gedénajasa nu jadi indung ka urang anumoal bisa kabales ku naon baépangorba nan urang ka anjeunna.Ngeunaan hal éta diterangkeun dinahadis nu hartosna:

"Aya saurang sohabat ngadep kaRosululloh teras sasauran, 'YaRosulul loh, sim kuring gaduh indunganu tos sepuh. Unggal dinten simkuring ngajaga sareng merhatoskeunsagala rupi kaperyogianana. Unggalanjeun na angkat-angkatan, sim ku -ring anu ngagandongna. Teu kantoslesot tina panalingaan simkuring. Teupernah haseum budi simkuring kaanjeunna. Sadaya hasil kasab sim -kuring disanggakeun ka anjeun na.Naha simkuring tos tiasa disebat mu-lang tarima kana kasaéan pun biang?'Rosululloh ngawaler, 'Encan! Saeutikogé teu nyukupan!' Éta sohabat narosdeui, 'Naon margina ya Rosululloh?'Dawuhan Rosululloh, 'Indung anjeunmiara anjeun kalayan pangharepansangkan anjeun panjang umur,sedengkeun anjeun mah miara in-dung anjeun kalayan pangharepansangkan indung anjeun gancangmaot'." (HR Abu Hassan Al Mawardi)

Kitu pidawuh Rosululloh nunerangkeun yén jasa indung moalbisa kabales ku gedé-gedéna anu étatéh dibarengan ku haté beresih, clikputih clak hérang taya pangharepanitu ieu. Jasa anu mindeng dipopoho -keun ku umumna anak. Padahal anakmoal bisa hirup nanjung, moal bisahirup jugala lamun teu dicuka ngan kujasa kolot.

Jadi, mun urang hayang nga-jugjug sawarga kalayan pantonamuka ngablak, taya kajabi anging

Indung Tunggul Rahayu

Ku Fendy Sy. Citrawarga

14 Manglé 2456

Page 16: Mangle 2456

kudu boga koncina, nyaéta karidoannu jadi indung. Da puguh tong borojaga di aherat, dalah di dunya reregeddosa ka nu jadi indung sok jadi ma-mala kana bagjana hirup. Geu ningkantos aya riwayat anu tospadauninga yén kumaha répotnasoha bat Alqomah nu leket ibadah,tapi nalika sakarat mani hésé bélékéalatan nu jadi indungna meunangkatugenah haté ti nu jadi anak.

Teu pira, harita téh Alqomah mu-lang ti panyabaan. Angkaribung kuoléh-oléh. Éta oléh-oléh téh katingali -eun ku indungna, tapi Alqomahnoyod, taya kaingetan, bro bae oléh-oléh téh dikapamajikananakeun.Nyeletit peurih haté indung Alqomah.

Brek Alqomah gering parna nepika badé ngantunkeun. Tapi nalikasakaratul maut saolah nyawananyangked na elak-elakan. Para soha-bat ngadeuheus ka Rosululloh. SaurRosululloh SAW cig tepunganindung na bisi aya ganjelan dosa.Tétéla enya, indungna meunangkanyeri ti nu jadi anak. Ku Rosulullohpiwarang dihampura. Sabadadilubarkeun mah, Alqomah lungsur-langsar maotna.

Kitu hiji conto ganjelan dosa anakka nu jadi indung anu tangtuna bakalngahalangan mukana panto sawarga.Mangrupa pépéling ka urang sadaya -na sangkan leres-leres babakti ka nujadi sepuh sakumaha piwarang AllohSWT.

"Wa'budullooha walaa tusyrikuubihii syaian wabilwaalidaeni ihsaa -naan....prak sembah Alloh jeungpoma maranéh nyarekatkeunAnjeun na jeung naon baé. Jeung prakmigawé kahadéan ka indung bapa...."(QS An Nisa, ayat 36)

Tina ieu ayat kauninga raketnahubungan babakti urang ka GustiAlloh sareng migawé kahadéan ka in-dung jeung bapa. Tegesna, sabadaurang panceg bakti ka Alloh anusaleres-leresna, beresih tina pagawé -an syirik, hal éta kedah disampurna -keun ku babakti ka nu jadi kolot,indung - bapa. Angot lamun indungbapa urang téh geus rérémpo nyatangtu anu kudu tanggung jawab téhurang nu jadi anakna. Hal éta ogé di-paréntah ku Alloh dina Al Quran nu

hartosna:"Jeung Pangéran anjeun geus

maréntahkeun sangkan maranéhulah nyembah salian ti ka Anjeunnajeung pigawé kahadéan ka indung-bapa. Mun téa mah salasaurang tidua nana atawa duanana geusrerempo aya dina panalingaanmaranéh, maka pacuan nyarita kaduanana ku caritaan 'ah' jeung pomaulah sesentak ka duanana sartanyarita ka duanana ku caritaan anumulya." (Surat Al Israa: 23)

Kitu pidawuh Alloh ngeunaancara mulang tarima ka kolot, nyata naku ahlak nu pinuji, ulah tepi kangaraheu tan haténa, sakumaha aran-jeunna ngurus jeung ngagedékeunurang kebek ku pangorba nan jeungkanyaah nu tan wates.

Ku gedé-gedéna jasa indung, koloturang sok nyebat yén indung téhtunggul rahayu. Pantes lamun indungmeunang panghormatan anu linu -hung. Anak lalaki sakuduna babaktika nu jadi indung, lain ka pamajikan.Pamajikan babakti ka nu jadi salaki.Jadi, mun téa mah aya pilihan kuduturut tumut. Mana nu kudu di-heulakeun antara indung jeung pa-majikan, salaki mah kudungaheulakeun indungna. Awéwésalaku pamajikan, mana nu kudu di-turut pangheulana naha indungnanaha salakina? Awéwé mah kudungaheulakeun salakina.

Ngan sing inget, indung di dieungandung harti jembar, lain wungkulkeur ka indung nu ngalahirkeun tapiogé kaasup indung téré, indungkukut, indung pamajikan atawa mi-toha. Kasimpulanana, paheuyeuk-heuyeuk leungeun geusan miara nujadi kolot sakabéhna, boh kolot biolo -gis boh kolot sampeuran.

Ku kituna kaasup dosa gedé do-raka ka kolot téh sakumaha pidawuhRosululloh saw. dina hadis nu hartos -na:

"Naha hayang kula méré nyahodosa-dosa anu pangrosana? Parasoha bat nyarios, 'Kantenan yaRosulul loh'. Maka ngadawuh Rosul-ulloh: 'Nyarékatkeun Alloh, doraka kaindung bapa'. Rosululloh nujunyarandé lajeng nguniang(ngalajeng keun cariosanana),

'Sumpah jeung saksi palsu....." (HRMuttafaq 'alaihi)

Mingkin jéntré naon sababnapanto sawarga ngonci, nyatana alatananak doraka ka nu jadi kolot. Tangtuurang miharep sangkan dijauhkeuntina kaayaan kitu. Na'udzubillaahimindzalik!

Saur ki juru pantun:"Mawa iwung jeung kalapa,

nguyup citeh pan dahaga. Doraka tiindung bapa, hirup téh moal jamuga."

Leuwihna ti kitu, doraka ti indungjeung bapa mah sok kontanditibankeun di dunya kénéh. "Dualampah goréng anu kontan ditibananhukuman ku Alloh jeung ditingali -keun di dunya, jinah jeung jolédar kakolot."

Indung salaku tunggul rahayu,sakuduna dijaga diriksa ku urang,tegesna ku milampah kahadéan. Dageuningan ku Rosululloh saw ogé in-dung téh kudu dipayunkeunsakumaha nu dijéntrékeun dina hadisnu hartosna:

"Aya lalaki samping seja tumaroska Rosululloh saw. Saha jalma anulangkung hak ku simkuring dipihor-mat? Anjeunna ngadawuh, 'Indunganjeun!' Sohabat tumaros deui. 'La-jeng saha?' Anjeunna ngadawuh: 'In-dung anjeun!' Sohabat tumaros deui,'lajeng saha?' Anjeunna ngadawuh,'Indung anjeun!' Sohabat tumarosdeui, 'Lajeng saha?' Anjeun nangadawuh: 'Bapa anjeun'." (HRBukhori sareng Muslim)

Tah kitu kawajiban urang ka nujanten sepuh, hususna ibu. Atuhsangkan barudak urang teu doraka kanu jadi kolotna, urang ogé salakukolot wajib ngatik barudak ku ka-soléhan. Da geuning jéntré pisan,bakti urang ka Alloh aya tumalinasareng bakti urang ka nu jantensepuh.

Angot dina kondisi jaman kiwari,réa pisan pangrobéda kanggo ngatikbarudak sangkan soléh téh. Ku kitu -na dina miéling Hari Ibu kiwari hayuurang laksanakeun hak sarengkawaji ban urang ka nu janten sepuhnya kitu deui teu lali ngalaksana keunhak sareng kawajiban urang ka nujanten putra. ***

Manglé 2456 15

Page 17: Mangle 2456
Page 18: Mangle 2456

Nadzar Kabujeng Ngantunkeun

Patarosan :Assalamu’alaikum Wr. Wb. Tumaros

perkawis nadzar. Margi aya sohabatsimkuring nu harita nyarioskeun nadzardipayuneun simkuring, tapi dugi ka ayeu -na teu acan nyumponan. Nu jadipatarosan, kumaha hukumna pami hen-teu ngalaksanakeun nadzar? Sementawissohabat simkuring tos ngantunkeun.Hatur nuhun kana waleranana.

Hakim AlHakimKomplek Panyileukan Bandung

Waleran :Sami-sami hatur nuhun kana sagala

rupi perhatosanana. Saleresna perkawisnadzar kantos dibahas dina édisi Manglékapengker-kapengker. Namung teu sa -wios urang bahas deui. Margi kana élmuagama mah ulah bosen-bosen urangmaos atanapi ngupingna, sapertos kanapangaosan. Dina palebah nadzar, urangsaéna kedah terang heula kana istilahnadzar. Istilah “nadzar” asalna tina basaArab, hartosna “ancaman”. Sedengkeunnurutkeun istilah hukum Islam nyaétangawajibkeun hiji perkara anu henteu di-wajibkeun ku hukum Islam, kalayan ayasabab-sabab anu tangtu. Sacara umum“nadzar” tiasa ngandung hartos “jangji”,tegesna jangji ka diri urang baridikedalkeun ka batur atawa ka duluratawa ka sobat-sobat urang. Istilah“nadzar” ieu disebat dina al-Quran anuhartosna: “Naon rupa (barang) anu kuanjeun nafkahkeun atawa ku anjeun di-jadikeun nadzar, mangka saéstuna GustiAlloh nganyahokeuna” (al-Baqoroh:270). Dina ayat séjénna: “Jeungmaranéhna nyumponan kana nadzarnatur ngarasa sieun ku ayana hiji poé anuadzabna nyebar ka mana-mana.” (QS. Al-Insan: 7).

Dumasar kana katerangan sarenghartos nadzar di luhur, mangkapatarosan anu kahiji nyaéta ayanahukum henteu nyumponan perkara anujadi nadzar nyaéta “haram”. Sabaliknahukum ngalaksanakeunana jadi wajib,

tegesna jadi dosa pikeun diri urangsaupama henteu ngalaksankeunana, soksanajan éta perkara henteu diwajibkeunku hukum Islam. Contona si Upin nyaritakieu ka sobatna Ipin: “Saupama uranglulus tésting asup ka UPI, mangka urangnadzar badé ngalaksanakeun puasaSenen-Kemis salila sataun”, mangkalamun si Upin bener-bener lulus tésting -na, mangka pikeun manéhna wajibngalaksanakeuna, lamun henteungalaksana keun mangka hukumna dosa.Sok sanajan puasa Senen-Kemis dinaajaran Islam hukumna sunat, mangkajadi wajib hukumna.

Patarosan anu kadua nyaéta ngeuna -an sarat atawa katangtuan nadzar. Dinaajaran Islam, perkawis nadzar sarengperkara anu jadi panadzaran, saratnahenteu meunang nyimpang atanapipatukang tonggong sareng hukum Islam.Contona: “Lamun urang lulus téstingasup ka UPI, mangka rék nadzar ngajaksobat-sobat urang mabok babarengan”.Nadzar anu saperti kieu henteudimeunang keun, dumasar kana pidawuhRasululloh SAW: “Sing saha anu nadzarta’at ka Gusti Alloh, mangka praklaksana keun, jeung sing saha anu nadzardoraka ka Mantena, mangka poma ulahdilaksanakeun” (HR. Mufakat sadayaulama Hadits).

Sajabi ti éta, nadzar dianggap sahnumut keun ajaran Islam saupama dinaprak-prakana pikeun ngadeukeutkeundiri ka Gusti Alloh (Taqarruban Ilalloh),sareng hukumna wajib dina nyumpo-nana. Sedengkeun nadzar keurngalaksana keun kamaksiatan mangkahukumna henteu sah. Pikeun nungalaksana keunana, wajib mayar kifarat(dengda), kifaratna sami sareng kifaratsumpah (perkawis kifarat sumpah badédipedar dina waleran ngeunaansumpah). Hal ieu dumasar kana Hadits tiSiti Aisyah wiréh Nabi SAW ngadawuh:“Kacida dilarang nadzar pikeunngalaksana keun kamaksiatan (kadoraka -an), kifarat pikeun ka anu ngalak -sanakeuna na sami sareng kifaratsumpah.” (HR. Tirmidzi, Nasa’i sareng

Ibnu Majah). Nyakitu deui pikeun ka jalma anu

nadzar tapi henteu kawasa pikeunnyumponana, mangka manéhna wajibmayar kifarat sami sareng kifaratsumpah, sakumaha disebatkeun dinaHadits anu sumberna ti Uqbah bin AmirRA, anjeuna nyarioskeun wiréh Rasulul-loh SAW ngadawuh: “Kifarat nadzar samisareng kifarat sumpah.” (HR. Muslimdan Nasa’i).

Sajabi ti hukumna wajib aya nadzaranu hukumna “mubah” (wenang), conto -na saupama hiji jalma nadzar badé cicingdi tempat anu panas ku panon poé,atanapi zadzar moal saré salila tilu peu -ting, mangka nadzar anu saperti kitu,hukumna “mubah” kalawan henteu wajibnyumponana, turta henteu dosa dinaningalkeunana. Hal ieu dumasar kanaHadits ti Abu Hurairah RA, anjeunanyarioskeun wiréh Rasululloh SAW kan-tos ningal hiji jalmi anu yuswana tossepuh pisan, anjeunna leumpang bari di-aping ku dua putrana. Lajeng RasulullohSAW tumaros: “Keur naraon aranjeun?”.Kadua putrana ngajawab: “Ya Rasulul-loh, manéhna nadzar ngalaksanakeunibadah haji bari leumpang”. Harita kénéhRasululloh SAW ngadawuh: “Yeuh bapa(Aki)! Ulah kitu, pék naék kendaraan!Saéstuna Gusti Alloh henteu ngabutuh -keun anjeun sareng henteu ngabutuh -keun nadzar anjeun anu saperti kieu.”(HR. Muslim).

Anapon jalma nu badé nadzar tapikaburu maot, mangka kawajibanditibankeun ka walina wajib pikeunnyumponanana. Hal ieu, dumasar kanaHadits ti Ibnu Abbas RA, anjeunanyarioskeun, réhing Sa’ad bin Ubadah per-nah nyuhunkeun fatwa ka Rasululloh SAWngeunaan indungna anu ngabogaan nadzarhiji jalma nu kaburu maot. Lajeng Rasulngawaler: “Anjeun anu wajib ngalaksana -keunana,” (HR. Bukhori-Muslim). Sakituanu tiasa diwaler, mudah-mudahan a -geung mangpaatna. Sakali deui, mémangurang kedah ati-ati pami badé nadzar téh,margi nu namina umur mah moal aya nuterang.*** Wallohu ‘alam.

16 Manglé 2456

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 19: Mangle 2456

Optimalisasi peran serta alumnidi salasahiji lembaga atikan,paguron luhur upamana, estu

kacida pentingna enggoning ngaron-jatkeun sarta ningkatkeun ajen dayasaing almamater. Ku kituna, alumnisalawasna jadi hiji bagian anu teu bisaleupas tina beungkeutan eta lembaga.Saperti halna, beungkeutan Ikatan Kelu-arga Alumni (IKA) Fakultas HukumUniversitas Pasundan.

Eta hal ditetelakeun Dekan FakultasHukum Unpas Dedi Hernawan, SH.,MH., dina biantarana acara Milih KetuaIKA FH Unpas mangsa bakti 2013-2018, sawatara waktu nu anyar kaliwatdi Aula Kampus Fakultas HukumUnpas, Jalan Lengkong Besar Bandung.Hadir dina eta acara, Wakil Rektor(Warek) II Unpas, Dr. T. Subarsyah, Dr.Jaja Jayus, anggota Komisi Yudisial(KY) RI nu oge dosen FH Unpas, paraWakil Dekan (Wadek) FH Unpas, paradosen, jeung para alumni ti sababarahaangkatan. Dedi negeskeun, FakultasHukum Unpas geus mawa komara ka-jauhna. Pon kitu deui para alumni na gedeui geus macakal sarta makalangankalawan nyepeng kalungguhan anu

kacida strategisna boh di lembaga for-mal boh lembaga-lembaga swasta se-jenna. Ku kituna, ceuk Dedi, kiprahnapara alumni fakultas hukum Unpas sa-henteuna geus ngelebetkeun bandera al-mamater ka jauhna bari jeung kataraayana jeung karasa mangpaatna keurbalarea. “Kiprahna para alumni geustembong, karep kanyaahna estuningleuwih jauh kahareupna anu leuwihmaju, keur fakultas hukum hususna,universitas Pasundan umumna” kitukedalna Dekan FH Unpas nepi keunkareueusna.

Unpas geus jadi kareueus balarea,sabab Unpas minangka salasahiji pa -guron luhur swasta di Jawa Barat-In-donesia kalawan akreditasi A, pon kitudeui Unpas salasahiji perguruan tinggiunggulan anu satata, malah leuwih pun-jul jeung perguruan-perguran tinggikahot sejenna di indonesia.

Dedi negeskeun deui, FH Unpas mi-nangka salasahiji paguron luhur di JawaBarat meunang pancen jeung kaper-cayaan jadi asesor legitasi. “Tangtu ieujadi hiji kareueus keur sakumna ku-lawarga besar fakultas hukum Unpas,ceuk Dedi Hernawan deui-deui nepi -keun kareueusna. Ku ngadegna IKA FHUnpas, ceuk Pa Dekan ngeceskeun,masing jadi hiji beungkeutan silatu-rahmi kawargian anu leuwih raket turdalit diantara papada alumni. “Kawar-gian IKA FH Unpas masing jadi ajangpameungkeut kabarayaan anu saam-para rasa, pon kitu deui ketak jeunglengkahna IKA PH Unpas ka hareupmasaing katara jeung karasa mang-paatna keur kulawarga besar fakultashukum hususna, atuh deui umumnakeur sakumna masarakat,” pokna.

Dina acara pilihan IKA FH Unpasmangsa bakti 2013-2018, harita paraalumni ti sababaraha angkatan,nepikeun hak sorana pikeun netepkeunpiketuaeun. Sabada, hasil pilihan soratina itungan anu asup, Saim Aksinudin,

SH. MH., alumni angkatan 89, nu ayeu -na nyepeng kalungguhan Ketua BiroHukum Paguyuban Pasundan, haritameunang sora pangpunjulna, Ku kituna,inyana ditetepkeun jadi Ketua IKAFakultas Hukum Unpas mangsa bakti2013-2018.

Dina lolongkrang acara Saim Aksin-udin netelakeun, ieu kalungguhan man-grupa amanah. Ku kituna, ieu amanahjadi bekel jeung kaludeung keur simkuring dina ngokolakeunana. “Tang-tosna wae, maju jeung nanjeurna hijiprogram teu tiasa dipidamel ku nyalira,tapi peryogi pangrojong ti balarea.”pokna. Tah kukituna, dina nataharkeunprogram IKA FH Unpas ka payun, nujadi skala prioritas diantarana wae nata-harkeun deui Anggaran Dasar jeunganggaran rumah tangga (minangkadasar pilengkaheun garapan program),nyusun rengrengrengan pangurus, sartangayakeun pamarekan (kamitraan)jeung pihak fakultas-universitas husus -na, pon kitu deui jeung pihak/lembagasejenna.

Wilujeng mancen tugas! Mugia Fakul-tas Hukum Unpas, jadi solusi balarea,sarta manjang lana dijayana. ***

Manglé 2456 17

Dedi Hernawan, SH., MH., Dekan Fakultas Hukum Unpas

Saim Aksinudin, SH., MH., Ketua IKA FHUnpas mangsa bakti 213-218

Saim Aksinudin, SH., MH. Ketua IKA FH Unpas Mangsa Bakti 2013-2018

Page 20: Mangle 2456

Kuring per-caya, langitmoalsalawasnaangkeub.Sabab

hujan bakal ngaririncikluyu jeung wancina.

Kuring ogé percaya, la -ngit moal salawasna can-gra. Sabab cahya panon poé laun-laun bakal tilemluyu jeung wancina. Sababku ring masih percaya,upama titik-titik cihujankasorot cahya panonpoé,

langit bakal beuki éndahkatumbirian.

Handapeun langit nukulawu, kuring kungsingabedahkeun cimata dinahandapeun tetenggermakam indung. Soraceurik nu awong-awonganngan awor dina jero dada,sabab nu ka luar mah nganberebeyna cimata nu teukaampeuh ngahiji jeungkeclakna cihujan nu keurmaseuhan.

Harita, kuring nganwasa tungkul, menekung

bari jiwa asa gorowong kutatu nu taya wujudna.Lisan ngalafadkeun run-tuyan dunga. Sedengleung eun ngawurkeunkembang samoja. Ieu ragaasa geus teu bisangararasakeun nanaoniwal ti mireng sora gu-ludug nu neunggeulan ma-maras.

Ti harita, kuring sokresep neuteup langit ku-lawu. Cumeluk nepi kahujan cluk-clak. Sanajanhawa jadi tiis, tapi kuring

laluasa pikeun ngumbarlamunan. Nyawang rupa-rupa kajadian nu geuskarandapan nalika hujanmarengan.

Nepi ka hujan ngagebrét,kuring sok resepnadahkeun dampal leung -eun bari tanggah. Nam-panan mangréwu keclakcaina tuluy diranggeumsina merebey kana sela-sela réma. Lir nu sapago-dos, cimata merebeytembres sésélékét niisanhaté.

Ti harita, kuring gé sokresep mireng sora guludug.Beuki ngajelegur sorana,beuki neunggar karasanadina dada.

“Raini, hujan!” kitu haré-wos angin tiis téh.

Leungeun kuring soktuluy aya nu metot. Dukateuing rék dibawa kamana. Ngan nu karasaawak jadi baseuh, getih asateu ngamalir deui.

“Raini, hujan!” kitu saurApa téh.

Awak kuring sok tuluy

18 Manglé 2456

Carpon Anggi Novia Dewi

Page 21: Mangle 2456

19

dipayungan, dituyun ka nuteu kahujanan. Sanggeuskuring disalin, Apa sokmangninyuhkeun caiéntéh amis. Laju nyariosperkara panti. Di luar,hujan masih ngagebrétmirig leunjeuran caritaApa. Kuring ngan wasaunggut, da biwir mah asarapet.

Di panti téh bakal lobababaturan, bakal aya nungurus kuring, bakal ayaibu jeung bapa panti nukanyaahna sarua, bakalaya ...

Teu kapireng, naon deuinu bakal aya di panti, saurApa. Sabab nu leuwihkapireng téh sora haté nunyebutkeun yén, “Di pantimah moal aya Apa, moalaya kanyaah Apa.”

Mimiti dianteurkeun kapanti ku Apa, dua kantongeusi pakéan jeung barangkuring lianna. Sanggeuscacarios jeung pibakaleunbapa panti, Apa ngambungembun-embunan kuring.Tuluy ngambung taar

jeung damis. Taya nu di-carioskeun ka kuring mah,ngan tina kongkolak so-cana kuring bisa nyawangkalewang Apa nu tayahinggana.

Harita, langit gé pulaskulawu. Hayang teuing derngagebrét hujan singbadag sangkan léngkahApa ninggalkeun kuring dipanti kahalang. Sangkanupama kuring ceuriknangkél ka Apa, teukatangén merebeynacimata, ogé teu kapirenghingna sora ceurik.

Tapi hujan mimiti cluk-clak nalika Apa geus ning-galkeun kuring, nalikatonggong Apa geus leungittina teuteupan kuring. In-dung panti nyampeurkeuntuluy ngusapan tonggong,kuring ngan wasa tungkulbari nahan mangréwucimata pihujaneun dinahaté.

Ti harita kuring pisahjeung Apa. Ngarandapancicing di panti. Unggal poé,nu ditutungguan iwal Apa.

Kedah sabar, ikhlas, tu-marima kana takdir. Singbetah, aya ibu jeung bapapanti nu sayaga masihankanyaah, aya ...

Teu kapireng, naon deuinu disaurkeun ku ibupanti. Sabab nu leuwihkapireng téh sora haté nugalécok cumarita, “Apa!Raini hoyong tepang!”

Isukna awak kuringharééng. Ibu panti siangwengi ngajaga kuring.Ngahuapan, masihan obat,jeung ngomprés kuring.Bapa panti ngusahakeunmanggihkeun kuring jeungApa.

Geus rada cageur, Apangalongok kuring di panti.Saharita langit haté kuringnu kulawu téh jadi cangra.Taya pihujaneun saeutik-eutik acan. Barang gokpasanggrok gé, kuringngagabrug, tuluy ngeukeu-pan Apa. Neueulkeun sirahkana dada Apa. Karasa ayanu ngeclak kana embun-embunan, cisoca Apa.Karasana bungah kacidapanggih deui jeung Apa.

Awak asa hararampang,nu rarieut téh jadi ngura -ngan. Komo basa Apangahuapan kuring buaharumanis, jiwa nu asagorowong ku tatu nu tayawujudna téh asa kaubaran.Laun-laun hégar deui.

Apa kulem di pantisawengi. Haté reugreugkacida, sanajan teu mon-dok sakamer jeung Apa.Énjing-énjing pisan Apaangkat ti panti téh, panon-poé gé karék meleték.

Sanggeus cacarios jeungbapa panti, Apa ngambungembun-embunan kuring,tuluy ngambung taar jeungdamis. Taya nu dicar-

Sanajan aya bapa panti,sanajan enya sarua asihna,tapi geterna kana haté éstubéda.

Ti harita langit dina hatékuring gé kelirna kulawu.Sanajan dicangra-cangraku sorot kaasih ti ibu jeungbabaturan panti, tapi can-grana asa béda. Henteubéngras pisan. Kari nganti,hujan iraha clakna.

Apa! Iraha badé kapanti? Ceuk sora hate,galécok tumanya ka diri.

Hiji mangsa hujan nge-clak tuluy ngagebrét.

Kuring balik ti sakola kapanti. Angin tiis ngaharé-wos deui, “Raini, hujan!”

Haté kacida bungahna.Sabab kuring bisa mere-beykeun cimata jeung teuéra nyorakeun hing ceurik.Gogorowokan ngangen-traan Apa, patarik-tarikjeung sora guludug.Ngumbar lamunan, nya -wang deui rupa-rupa kaja-dian nu geus karandapannalika hujan marengan.

“Apa! Raini hoyongtepang!” Haté galécokjeung cihujan.

Leungeun kuring karasaaya nu metot. Duka teuingrék dibawa ka mana. Ngannu karasa awak jadi ba -seuh. Getih asa teu nga-malir deui.

“Raini, hujan!” kitu saurbapa panti téh.

Awak kuring tuluy di-payungan, dituyun ka nuteu kahujanan. Sanggeuskuring disalin, ibu pantimasihan cai haneut. Lajunyarios perkara Apa. Diluar, hujan masih ngage-brét mirig leunjeurancarita ibu panti. Kuringngan wasa unggut, dabiwir mah asa rapet.

Manglé 2456

Nyambung ka kaca 34

Page 22: Mangle 2456

20 Manglé 2456

Kembang

Carita pondok Roro

Page 23: Mangle 2456

Manglé 2456 21

GEUS ayakana sa-jamnaKatarinanangtungtukangeun

jandéla nu nyanghareup kajalan di kota Odessa. Buukpanjangna nu blonde diun-tun dua ti gigir, dita-plokkeun manjang diluhureun sirah, caraumumna awéwé urang ditu.Pasemonna alum. Cai nungenclak tina panonna nubulao, maseuhan pipina.Biwir ipisna nu beureumngageter. Irung bangirnangingsreuk, meus-meusdielap ku saputangan kayas.

Katarina ngarérét ka Yo-gaswara nu keur diuknyang hareupan méja tulis dijuru rohangan. ParomanYoga teu béda ti Katarina,sarua ngemu kasedih. Yogangarérét ka Katarina. Dua-nana papelong-pelong, tapisarua jarempé, teu

ngaromong sakemék-kemékacan. Rét deui, panon Kata-rina ka luareun jandéla,kawas nu miharep bongbo-longan tina kabingungna.Tapi nu katénjo ukur hujansalju nu beuki lila beukikerep ngarungkupan sagalanu aya di dinya. Bodas, nge-plak. Awak Yoga nu tadinaajeg lalaunan nyorosod,nanghunjarkeun sukuna dihandapeun méja, sirahnadisarandékeun kana korsibari disangkéh ku dualeung eunna. Pikiran Yogakumalayang ka mangsalawas. Teu karasa, geus

ampir genep taun manéhnahirup di Rusia, nagara nujauh mela-melu ti lemburna,Sumedang.

“Katarina Romanova,”ceuk éta wanoja ngajén-trékeun ngaranna basa dia-jak wawanohan ku Yoga.Harita Yoga keur diajar ésskating jeung babaturanana.Yoga asa-asa ngaléngkah -keun sukuna ngageleserluhureun cai nu geus beku.Mimiti suku katuhuna dipa-jukeun, laju suku kéncana.Kitu jeung kitu. Hiji waktuYoga balangah, sukuna tiku-dawet tuluy ngageleser teukatahan, nepi ka nubrukEnon nu keur menerkeuntali sapatu ésna, Katarina.

Sabulan ti harita. Teungahaja panggih kaduakalina jeung Katarina dinapoé Saptu pasosoré. Yogajeung babaturanana keurdariuk ngabérés dinatétécéan taman kota. HaritaKatarina karék balik ti tem-

pat latihan balét nu teu jauhti dinya.

“Yoga, how are you?” ceukKatrina bari imut manis.

“O, hi, I’m fine.” Yogareuwaseun, teu nyana pa-panggih deui jeung Kata-rina. Ti mimiti wawuh jeungKatarina, Yoga nyaritanamaké basa Inggris kitu gémasih kénéh aga eugeu. Un-tungna deuih basa InggrisKatarina leuwih lancar tiYoga. Najan dibarung kupepeta, Yoga jeung Katarinateu burung uplek. Mun teudiingetan ku Didi baturYoga, yén kudu balik ka as-

rama saméméh jam salapanpeuting mah, sigana bakalguntreng nepi ka isuk.

“Deuh euy, ni gaya manéhboga kabogoh bulé!” ceukDidi ngaheureuyan,sanggeus Yoga amitan kaKatarina.

“Yéh, lain kabogoh étamah, ngan saukur babatu-ran diajar ngalancarkeunbasa Rusia!” ceuk Yoga barinyéréngéh.

“Baé atuh Ga, sugan wéngajodo,” ceuk Didi nga-heureuyan. Yoga seuri,manéhna geus ngajangjianka éta wanoja rék papanggihdeui.

Satadina mah Yoga ngansaukur hayang boga batururang dieu, lian ti babatu-ran sa lemah cai. Bosen, dalalaki wungkul. Kari-kariayeuna dipanggihkeunpisan jeung Katarina, mo-jang rancunit. Ti mimitiwawanohan jeung Katarina,Yoga ngarasa aya “rasa” nu

béda. Unggal paamprok teu-teup, aya geter haneut min-uhan dadana. Najan teupok, Katarina gé bangunsurtieun, aya tali asih rékngabeungkeut hatémaranéhna. Kembangtresna ligar di Odessa. Beukilila beuki remen Yoga pa-panggih jeung Katarina.Tungtungna jadi pagawéan,saban poé Saptu Yoga ma-pagkeun Katarina ka tempatlatihan balét, dituluykeunku lalajo bioskop, leumpang

paduduaan di puseur kotaOdessa atawa ngobrol baringopi di kafe.

Dina usum salju caraharita, kuduna Yoga jeungKatarina keur meujeuhnaresep gegeleseran dina ésskating, silih toél bari silihudag. Kaimpleng deui kuYoga, basa Katarina po-hoeun teu mawa sarungleungeun, padahal hawakacida tiisna. Yoga ngéléhanmanéh, sarung leungeunnanu katuhu dibuka, dipaké -keun kana leungeun katuhuKatarina. Ku Yoga leungeunkénca Katarina diasupkeunkana saku jekét manéhna,ngahiji jeung leungeunkatuhuna. Paroman Kata-rina katingali bungah, ra-mona nyekel pageuh ramoYoga.

Lantaran studina geuslekasan, sakur batur-baturna nu mancén tugasgeus kudu mulang. Sanajanbungah bakal tepung deui

jeung sakabéh nu aya dilemah cai, tapi ogé jadibangbaluh keur maranéhna.Duriat Yoga ka Katarinagedé pisan. Lamun Yoga teubalik, hartina manéhna hi-anat ka nagara. Tapi lamunKatarina dibawa kumaha in-dung bapana? SanajanKatarina geus pasrahkumaha Yoga.

“Yoga, abdi ngiringan,”témbal Katarina, basa di-tanya kasanggupan ngagemagama nu ku manéhna di-

Ligar di Odessa

Nyambung ka kaca 35

Page 24: Mangle 2456

Manglé 2456

Jalan nanjak téhasa teu anggeus-anggeus. Eureunmah aya kanaopat kalina.

Reureuh bari ngararasa -keun bitis nyareri.Cangkéng rocop. Kadangtetempoan gé ranyay ka -ronéng.

Umur téh asa can kolot-kolot teuing. Opat puluhtaun gé apan dalapanbulan deui. Sakieu mahmasih ngora wé da masih

sagala hayang rarasaantéh. Rakéy, si bungsu anukakara tujuh taun, anugeus aya di tonggoh go -goro wokan.

22

Tanjakan Abah SurtaCarpon Lina Herlina

Page 25: Mangle 2456

Manglé 2456 23

“Unda... sakedik deui. Kadieu énggal. Ti dieu mahpemandanganana ogéhébat.” Kuring saukurgugupay. Enya, da geusapal atuh. Pamandangan dilebah dinya mah éndah.Palebah dapuran awi anudibebenah. Dapuran awitali anu ngabadeg sisi jalantéh henteu pikahariwang -eun. Unggal ulin ka dieuogé apan lalening baé. Dihandapaeun dapuran awitéh aya bangku awi pan-jang. Duka saha anu nyi -eunna. Tapi bangunnamah urang Cinangka.

Bari gugupay téh kabarudak di tonggoh, hatémah bari nyenghél seuri.Baheula keur kakara bisamaca, lamun teu salah mahkelas dua SD, ka mamanatéh sok mamawa buku. Tisakola diinjeuman buku SiLeungli. Bakat ku resepkana dongéng Si Leungli,buku téh dibawa ka mama -na. Dibaca deui. Taya ka -bo sen. Padahal mah ca ritana geus apal pisan.Meureun kajongjonan teu-ing ulin, buku téh pohosokna di mana. Atuh basarék baralik kokoténgan.Sanggeus ditéangan kusasaha teu kapanggih waé,hing wé ceurik. Teu eu-reun-eureun. Handeueultéh asa teu anggeus-ang -geus. Nepi ka déwasa, étakajadian ngelemeng waé.Matak ku babaturan ku -ring mah disebutna ogé SiApik. Puguh handeueulbasa kaleungitan buku siLeungli sieun kajadiandeui. Enya ogé aya bangkuawi, anu reureuh lebahdinya mah mimindengnamilih diuk leuwih kahareup. Perenahna mahpeuntaseun dapuran awimeureun lamun jalansatengah métér téa dipakébates. Lebah dinya mah

datarna lega. Pamandang -an plung-plong. Pasawah -an upluk-aplak.Pasawahan urang Cinang -ka, Cikonéng, Cilutung,Citungku, apan saamparandi dinya. Puguh wé mataklega ogé. Keur budak mahsok resep mun geus diajaknyair ku A Asép, lanceukhiji-hijina. Apan kuringmah budak kadua, adi wétiluan. Impun, beunteur,paray, bogo, hurang, lélé,teu weléh metet dina ko-rang. Kuring mah sok nga-haja mawa pelastik, ngarahlaukna hirup, pelakeuneundina kéler. Lamun keurusum halo do mah saka -peung sok turun ka walu -ngan Cige nyas. Ku Ibu gétara di caram da puguhcaina leutik. Di lebah anudéét mah ngan samumun -cang an. Di walungan mahleu wih resep da bisa baringojay. Silih simbeuhjeung Dian, Ana, Yani, adi-adi kuring. Apa gé sakap -eung mah sok ngiringan kawalungan. Upami sarengApa mah nyairna sok ke -nging lélé sagedé mutusagala. Resepna téh deuih,pabeubeurang Ibu jeung BiUcu sok nganteuran.Ngélék boboko, ngajingjingtéko. Terus A Asép mirunseuneu di saung anu pere-nahna tonggoheun walu -ng an. Beunteur, bogo, lélé,hurang, jeung lauk séjénnatéh digoréng, dikécapan.Rarasaan asa sok ngali -med, teu anggeus-anggeusdahar téh.

“Unda énggal, urangemam di dieu waé saurAyah!” Si bungsu ngagoro -wok deui. Lanceukna anudua mah henteu gogoro -wo kan teuing. Meureunpédah geus leuwihdaréwasa. Kaka, anu pa-nengah, apan geus kelashiji SMP. Tétéh, si cikal,

komo deui ayeuna téhkelas hiji SMU.

“Sok, ku Dédé ditarik tidieu. Undana papah deuiatuh,” cenah ceuk sibungsu bari nyapertikeunanu ngabetot tambang.Ranyayna geus nguranganmah neruskeun deui nong-goh. Ongkoh hayang geurareureuh bari nangunjar. SiTétéh sigana mah geusaampar samak.

Komo lamun siga baru-dak jeung bapana, apanngagandong rangsel hijiséwang, jaba lain tas gan-dong paragi sakola, ieumah rangsel gandongparagi ka gunung.

Enya wé geuning bebe -kelan ogé geus ngampardina samak. Bakat kuhanaang, cai sagelas meu-nang nyicikeun Tétéh di-leguk mani ngalekik. “Ih,Unda mah, badé emam teukenging eueut seueur teu-ing,” cenah bari ngabi-rigidig.

“Unda mah wios,” ném-balan téh bari rénghap-ranjug kénéh. “Supadosemamna sakedik. Anu teukénging mah Dé Rakéy,engké emamna sakedikmah begéng.”

Anu diomongkeunana,Rakéy, keur anteng jeungbapana ningali pamanda -ngan tina toropong.

“Unda, saurna nuju alitsering ameng di sawah itu.Kumaha dongéngna,Unda?” cenah bari nga -lieuk ka kuring. Budak téhtiluanana keur umuran tilunepi ka sapuluh taun mahkana dongéng téh aya kuraresepeun. Sagala téhkudu aya dongéngna. Geuspuguh monyét, kuya, ban-téng, maung, anu araya dikebon binatang da sering

dipangdongéngkeun. Ieumah apan sawah ogé kuduaya dongéngna.

“Unda mah nuju alitnajarambah. Amengna ogé kasawah waé,” ceuk si Tétéhmangnémbalankeun.

“Muhun kitu, Unda?”ceuk si bungsu nyusul.

Kuring ukur unggeuk.“Unda ogé sering ka

dieu? Di dieu mah raoseunnya. Anginna sejuk, iuh datangkal awina seueur sa -reng doyong sapertos anumayungan. Ari tangkal awiieu saha anu melakna,Unda? Kumaha dongéng -na?”

“Unda ogé henteuterang. Tangkal awi anungajajar ngiuhan tanjakanieu mah ti kapungkur ogétos aya. Tanjakan ieu téhdisebatna Tanjakan AbahSurta.”

“Kumaha dongéngna,naha disebat TanjakanAbah Surta?”

“Saur dongéng mah,Abah Surta téh pamingpinpejuang anu ngalawan Be-landa. Tah upami tos nga-ganggu Belanda, nyerangBelanda anu nuju patroli,kaburna téh ka dieu. DaBelanda téh cenah sokmaropo ngalangkungantanjakan ieu mah. Atuh pa-sukan Abah Surta jantensalamet.”

“Atuh pasukan Belandatéh sapertos Unda nya?”

Bapana jeung lanceuk-lanceukna anu ngadédéngékeun obrolan sareuri.

“Pasukan Belanda mahmopona téh ku élmu AbahSurta. Ari Unda mah mo-pona téh ku tara olahraga,” ceuk Kaka mairan.

“Hayu ah urang arem am.Engké deui wé ngado -ngéngna mah.” Bapana

Nyambung ka kaca 35

Page 26: Mangle 2456

24 Manglé 2456

Congkang,ngaran tempatantara Kp.Sasakbeusi Lim-bangan, jeungKp. Pasirlaja,

Cibatu. Di dinya aya paku-buran umun. Sisi jalanpisan. Pernahna luhureunlamping. Harieum kutatangkalan. Pangpangnatangkal samoja jeung waru-doyong. Pacampur jeungdapuran awi. Kungsi sume-bar dongéng ngeunaan jurigCongkang. Cenah, nyumberkana kajadian nu kaalamanku Mang Ohim, kusir sadourang Sindanganom, Lim-bangan. Taun 1940-an, keurcan aya kendaraan mobilatawa motor. PatalimargaCibatu-Limbangan atawasabalikna, ngandelkeunleumpang. Nu boga duitngaborong sado. Nu ngakutbarang ngaborong roda pa-dati. Ngan kudu beurangkénéh. Sabab, liwat lohormah, tukang sado atawaroda padati, arembungeun.Sieueun ngaliwat ka Cong -kang nu pajar angar téa.

Ninggang di Mang Ohim.Isuk-isuk meunang boron-gan muatan ti pasar Lim-bangan ka Cibatu. Hagetditarik. Kuda metung kumuatan, ngabrét. Tanjakanmayat lebah Congkang asa

ngan sakilat disorang.Méméh lohor geus nepi kanu dijugjug.

Bérés nurunkeun muatan,kalawan ongkos nyugema -keun, Mang Ohim ngenyedelés. Rék mulang ka Lim-bangan. Ari pék aya ta -tangga panumpang tadingageroan. Ménta dianteurka Pasirjéngkol. Nawarongkos lumayan.

“Beurang kénéh ieuh,“gerentes haté Mang Ohim.”Moal enya rejeki datang teudisadonan”.

Giritik sado mawa mu-atan ka Pasirjéngkol. Arihég panumpang meredih,supaya didagoan. Hayangdianteurkeun deui kaimahna tadi. Kajeun nam-bah ongkos. Mang Ohim teumungpang. Ceuk pamikir -na, asal ulah kaburitanlebah Congkang wé.

Tas jajap panumpang tiPasirjéngkol ka Cibatu deui,karék bisa langsung mu-lang. Horéng geus asar ahir.Liwat kaum Cibatu, asageus repreupan.

Kuda digitik lalaunan kugagang pecut. NgaliwatPasirlaja geus harieum be-ungeut. Ngong adan ma-grib. Mang Ohim nga ran jug. Tadi kamalinaanteuing di Cibatu jeungPasirjéngkol.

Kuburan Congkang geusnyampak hareupeun.Katuhueun, lampingnangtawing. Daun awijeung daun warudoyongngangsar ka jajalaneun.Lebah dinya, kuda radangarengkog. Sado asa ngu-lawit ka tukang. MangOhim babacaan bari terusmecutan kuda.

Sangkilang mudun, sadobet pered majuna. Kudamani tibeberegég. Kawasnarik momot beurat kabina-bina. Pelengseng baumenyan, campur jeungangseu kembang teupararuguh. Mang Ohimngoprot késang. Sakumerekis ladang narik kaCibatu jeung Pasirjéngkolngadadak asa kempés.Marengan haté péot kukasieun. Tétéla, jurig Cong -kang milu numpak kanasadona.

Meunang satengah jamtegang. Kuda ngosod. Kusirngompod. Lebah rungkunhaur péngkolan ka lemburCiseupan, sado ujug-ujugkarasa cungkedang. Kudakalepasan ngabrét. Mun teudikenyed, sina mengpar kasisi, moal boa labas kaCimanuk. Untung MangOhim eling kénéh. Sanajanrisikona sado nyangkorahdina kamalir. Kudana

kabawa tigulitik.“Nuuuuhuuuunnnnn...

eueueung... dibawa tumpaksado... hihhii... hiiii...” kitunu kadéngé ku Mang Ohimsaméméh manéhna katu-ralengan. Éling-éling geusliwat isa, kapanggih kuronda. Laju pada nulungan.Dijajapkeun ka imahna. Ku-dana ditungtun. Ari sadonamah diantep wé sisi jalan.Rék diurus isukan.

Kajadian nu kaalaman 65taun ka tukang ku MangOhim, masih kénéh sok jadibukur catur nepi ka kiwari.Sanajan patalimarga Lim-bangan-Cibatu geus ramébalawiri nepi ka janari te -ngah peuting, angger wé arilebah Congkang mah sokaringeteun kana lalakonjurig tumpak sado MangOhim.

Kitu deui pikeun CépBonbon. Balik ti Bandung,jajap Néng Adél, buahhaténa, pabuburit. Ma’lumpaduduaan. Najan dinasédan, teu bisa tarik ngagas.Di jalan tol gé ngeyeted baé,da leungeun teu kaur jejemnyekel setir. Ma’lum saru-ana papada ngopepang.

Nyelang heula dahar dihiji réstoran Limbangan.Ngalimed. Geus bérés baba-yar, dius deui indit. Haritageus reupreupan. Ngahaja

Jurig CongkangKu H.Usép Romli HM

Page 27: Mangle 2456

Manglé 2456 25

ambéh poék di jalan.Kasempetan keur tepak toél.

Barang méngkol ti Sasak-beusi, asup tanjakan Ciseu-pan, deukeut ka Congkang,mobil rada gerejed. Henteungageleser. Pédah bédajalanna kitu? Tina jalanprovinsi dihotmix kana jalankabupaten aspal “plastik”(pulas saeutik) ?

Barang deukeut ka Cong -kang, sédan beuki beuratmajuna. Keur mah nanjakdeuih. Sakitu geus dioperkana gigi hiji, angger semumugen. Malah hiek kaam-

beu bau. Lain haseupmenyan atawa sirara kawasnu kaambeu ku Mang Ohim65 taun ka tukang. Ieu mahbau karét tutung. Cep Bon-bon ngahuleng. Kanvaserém kitu? Kupling kitu?Néng Adél gé rada élékésé -kéng. Komo barang rét kalebah Congkang. Ngabeleg-beg hideung. Ma’lumhieum. Tungtungna regmobil eureun. Mesinna paéhsorangan.

Cép Bonbon bi ngung. Dateu apal nanaon. Kana mobilukur bisa majukeun

wungkul.Untung ti béh lebak aya

motor datang. Teuing ojégteuing naon. Gancang kuCép Bobon dipegat. Rékdipentaan tulung kumahacarana.

Reg motor eureun. Nutumpakna duaan.

“Punten manawi uningakana mesin, ieu mobil nga -dadak mogok,” Cép Bonbonnerangkeun. Nu diboncéngturun. Terus alak-ilik kanamobil. Distater. Mesin hirupdeui.

“Teu nanaon,” cék nu ngi-

likan. “Ngan ban tukanggugus. Kadé bitu di jalan.”

“Teu nanaon? Naha atuhgejed?”Cép Bonbon héra-neun.

“Nya pasti gejed atuh, darém tangan dipasang.Pantes kana ban gugus ogé.Untung teu ngabaledug,”cék nu mantuan bari clakdeui kana motor. Dius deuimaju.

“Jadol !”Cep Bonbonkukukutus. “Hanas curigaka jurig Congkang. Ari pékrém tangan.”

***

Page 28: Mangle 2456

Gagalna DemokrasiDi Indonesia ?

Ku Dede Mariana

Demokrasi nu dilak-sanakeun di Indo -nesia, ka asup/kagolong kanademokrasi prose-dural, nyaeta pan-

gaturan kalembagaan keur nga hontal kaputusan-kaputusan politikngaliwatan perjuangan marebut -keun soara pamilih nepi ka meu-nang kakawasaan pikeun nyieunkaputusan nu dilembagakeun ngali-watan pemilihan umum jeung lem-baga perwakilan.Tapi, pasca pemilihan umum pa-

marentahan sapopoe dijalankeundeui ku birokrasi.

Realitasna, birokrasi tetep didom-inasi keneh ku jalma-jalma nu di-didik ku “rezim otoriter”, nu lobakalibet kana korupsi jeung teubarisaeun ngalayanan kapentinganpublik. Jalma-jalma nu ngahenang-ngahening dina zaman Orde Baru,nepi ka kiwari ge tetep boga kaka -wasaan, sok sanajan dina tatananpolitik anyar jeung asalna ti rupa-rupa partey politik.

Lian ti eta, aya oge aktor-aktoranyar dina panggung politik nu nga-mangpaatkeun lolongkrang demo -kratisasi keur kapentingan ma ranehna. Nya ieu pisan nu sok dis-arebut ‘para penumpang gelap’(free riders). Loba diantara mara -nehna nu ngagunakeun bahasa

demokrasi jeung otonomi, atawa sa-henteuna ngagunakeun lemahnademokrasi dimana hubungan men-dasar tina kakawasaan tetep tacankatata.Sistem kakawasaan sarupakieu ngarojong kana ayana “ketidak-samaan” jeung kateuadilan dinamangsa kiwari. Akibatna, lobajalma nu dirugikeun ku ayanademokrasi.

Dimomorekeunana dimensi liber-alisasi, budaya politik jeung legiti-masi demokrasi sarta fenomena‘pembajakan’ demokrasi ku parafree riders nimbulkeun konsekuensikabangunna model demokrasi semu(pseudo democracy), salaku hiji ke-cenderungan dimana ayana lem-baga-lembaga politik sacara formal,saperti pemilu multi parteynyababkeun dominasi kakuatanotoriter jadi henteu “kasatmata”.Sacara basajan, demokrasi semuawalna tina konsensus diantara paraaktor politik keur ngagunakeunprosedur jeung institusi demokrasimodern sacara formal, tapi sub-stansi “permainan” aya di luar ske-nario nu dipikahayang kudemokrasi murni.

Kawijakan pulitik, boh nasionalatawana lokal masih mendistorsiupaya-upaya pemulihan ekonomi,padahal sacara historis, pangalamandi nagara-nagara lianna demokrasijustru ngarojong tumuwuhna

ekonomi. Idealna, demokrasi bakalnuju kana karaehna karaharjaansabab demokrasi bakal muka/“memperluas” akses publik keurmeunangkeun barang-barang pub-lik (public goods), saperti pertum-buhan ekonomi, peningkatanpendapatan per kapita, perluasankesempatan kerja, jsb. Tapi nu kaja-dian dina mangsa kiwari, jiganapenerapan demokrasi di Indonesiatacan nunjukkkeun aya pakuat-pakaitna jeung kahontalna karahar-jaan.

Gagalna demokrasi dina ngawu-judkeun karaharjaan ieu disa -babkeun ku dua hal, nyaeta anomalidina sistem jeung perilaku aktor nukalibet.Praktik demokrasi nu di-jalankeun dina mangsa kiwari ngansaukur kakara sawates proseduraljeung formal, jauh keneh tina sub-stansial.

Indikasina, institusi demo krasi nugeus aya ngan ukur dikawasa kusababaraha elit pulitik alhasil prak-tik demokrasi ngageser jadi oligarkielit-elit strategis. Politik desentrali -sasi nu dijalankeun kakara sawateselit jeung parpol, tacan nepi kamassa atawa rayat/warga, alhasilpalaksanaan otonomi daerah cen-derung oligarkhis. Kondisi ieu ngak-ibatkeun akses rayat/warga kana“pengambilan keputusan strategis”upamana dina penetapan APBNjeung APBD meh taya. Hartina, dina

26 Manglé 2456

Page 29: Mangle 2456

Manglé 2456 27

proses “berpemerintahan” rayatangger aya di “pasisian” jeung tetepnempatan posisi marginal.

Samentara dina dimensi perilakuaktor pulitik, orientasi para palakupulitik mangsa kiwari cenderung“ngageser” tina nu tadina dida -dasaranan ku orientasi ideologis jadisakadar orientasi pragmatis nyaetakeur ngaraeh kakawasaan nu digu-nakeun pikeun kapentingan kolom-pokna. Secara substantif, tayape lembagaan budaya demokrasiboh di kalangan elit atawa massa.Sok sanajan dina praktikna, prosespulitik lir ibarat transaksi (per-tukaran sumberdaya), tapi kajadiandina mangsa kiwari, eta transaksiteh lolobana mah leuwih ngun-tungkeun sababaraha urang /segelintir elit.

Taya kamudahan pikeun masa -rakat dina mangaruhan sacara lang-sung ‘penyediaan barang dan jasapublik’ nu bakal jadi hakna.

Komplen jeung aspirasi ngan bisadisalurkeun ngaliwatan perwakilanpartey pulitik jeung anggota legis-latif, padahal eta dua agen parantarateh dina praktikna tacan bener-bener “berperan” salaku represen-tasi rayat. Kukituna, kawijakan nudilahirkeun tina proses politik ieu gengan ngagambarkeun preferensipara elit lain preferensi publiksacara umum.Masarakat taya dayapikeun ngaakses jeung milih pajabatjeung barang publik nu luyu jeungnu dipikahayang lian ti nu disodor-keun ku partey jeung nu dipanga -ruhan ku kolompok kapentingan.

Ngaca tina sagala kakuranganmodel demokrasi prosedural, jelasperlu hiji rarancang eksplanasingeunaan kamekaran demokratisasidi Indonesia, nu lain wae bisa nying -kahan ‘jebakan’ tradisi politik for-mal, tapi leuwih sensitif kanadimensi-dimensi kabebasan sipil,budaya politik, jeung legitimasidemokrasi.

Pikeun ngajamin sangkan transisikana demokrasi di Indonesia bisa

‘terkonsolidasi’ kalayan hade, ku ki-tuna pasualan-pasualan nu munculkudu buru-buru diantisipasi sang -kan transisi teu nuju kana jalanbuntu. Pasualan-pasualan teh(Huntington)diantarana: kahiji, pa-sualan kontekstual, nu biasanangawujud mangrupa pemberon -takan massa; konflik etnis komunal;tingkat kemiskinan nu ekstrem;kapincangan sosial ekonomi nu nyo -lok mata; inflasi nu kronis; hutangluar negeri nu ngagugunung ; teror-isme; sarta nagara kalibet sacara ek-stensif kana perekonomian. Kadua,pasualan transisi, nu dipangaruhanku ‘kecenderungan balik’ kanaotoritarian sabab aktor utama dinatransisi mangrupa para inohong numasih keneh bagean tina rezimotoritarian atawa sistem demokrasidiganti ku bentuk-bentuk pama -rentahan otoriter nu anyar.

Di Indonesia, transisi teu dilak-sanakeun kalayan daria sabab tayapakta atawa kompromi antarakolompok status quo jeung kolom-pok pro demokrasi keur ngabasmisakabeh bentuk hahalang/peng-hadangan gerak kana demokrasijeung tayana kamupakatan antarakolompok reformasi jeung kolom-pok status quo keur ngaagendakeunsajumlah parobahan signifikan kaarah demokrasi. Katilu, pasualansistemik, ‘dipicu’ ku kagagalan sis-temik ti rezim-rezim demokratispikeun beroperasi sacara efektif nu-runkeun legitimasi maranehna;ngagejretna perekonomian interna-sional; ngageser/robahna hiji kaku-atan demokratisasi nu tohaga atawademokratisasi ka arah otoriterismebisa ‘memicu’ aksi efek ‘bola salju’jiga di nagara-naga lianna.

Di Indonesia, pasualan sistemiknu aya keneh nyaeta sakumna sis-tem nu diwangun ku KKN di jamanSoeharto salila Orde Baru nu geusngalaman’pembusukan’, ngabalu -karkeun transisi leungit daya gerak -na kana demokrasi sabab tayapenginstalasian nu kuat kana etalembaga atawa ngarekonstruksi -keunna deui sangkan bisa leuwihpas/cocok jeung demokrasi.

Nya eta pisan nu ngabalukarkeun,transisi ke demokrasi di Indonesiangakan waktu nu lila dina ngudagsukses ngawujudkeun demokrasi.Lian ti dibalukarkeun ku rupa-rupapasualan sistemik, transisional,jeung konsensual nu diwariskeun kupamarentahan Habibie nu tacanbisa dibeberes kalayan hade, ogedibalukarkeun ku instalasi demo -krasi nu ngalahirkeun pamarenta-han nu ‘lemah’ sabab teu boga basispartey politik nu kuat.

Tapi sok sanajan kitu, transisidemokrasi boga keneh lolongkrangkeur terus diperjuangkeun ku carangungkulan eta pasualan jeungnyieun sababaraha lengkah strategiskeur ngabeberes struktur jeung kul-tur berdemokrasi diantarana :kahiji, numuwuhkeun kulturdemokrasi di kalangan elit atawanamassa/warga ngaliwatan atikanpolitik kewargaan (civic education)nu kritis ka pamarentahan jeungelit-elit, nu bisa nyadarkeun ngeu-naan hak-hak jeung kawajibansalaku warga.

Kadua, rule of law jeung nan-jeurkeun hukum nu tegas teudiskriminatif, nepi ka aya kapastianjeung kategasan aturan main nunalikung para palaku. Nanjeurkeunhukum kacida perluna sangkantrust (kepercayaan) publik bisa balikdeui jeung legitimasi pamarentahbisa ditohagaan/diperkuat. Katilu,numuwuhkeun moral hazard dinapraktik pulitik, pamarentahan,jeung pangwangunan, sangkan per-ilaku elit politik jeung elit ekonomitambah deukeut kana tujuan nuutama, nyaeta ngawujudkeun kara-harjaan rayat jeung kaadilan sosial(social justice).

Etika politik kudu jadi agendautama pikeun dilaksanakeun kupara pajabat publik, boh di ekseku-tif, legislatif, judikatif oge lembaga-lembaga nu ngurus urusan-urusanpublik.Cindekna, perlu aya keberpi-hakan politik jeung kadewasaanberpolitik, utamana ti para elitsalaku pangrojong demokratisasi.Mugia.

***

Page 30: Mangle 2456

28 Manglé 2456

DPRD Jabar, patali jeungusulan 13 Raperda, nga -r e k o m e n d a s i k e u nrobahna Struktur OPD(organisasi perangkat

daerah) di lingkungan Pemprov. Jabar.Ku kituna, kaluarna Perda anyar anungatur soal struktur OPD di lingkunganPemprov. Jabar, di antarana, aya nukudu robah strukturna.

Ngeunaan rekomendasi restruktur-isasi OPD, dijentrekeun ku Ketua Pan-sus VII, Sugianto Nangolah dina sidangparipurna DPRD Jabar anu dihadiranku Gubernur Jabar, H. Ahmad Herya -wan. Sugianto, dina laporanana nete-lakeun, luyu jeung usulan pihakPemprov. Jabar ngeunaan parobahanstruktur OPD , Perda heubeul, PerdaNomer 20 Tahun 2008 ngeunaan Or-ganisasi dan Tata Kerja Setda oge Set-wan Provinsi Jabar aya parobahan.

Sababaraha OPD anu ngalamanparobahan teh di antarana; Biro Otdadan Kerjasama, dina OPD ieu strukturanu aya parobahan teh di Bagian Pen-dapatan Asli Daerah dipindahkeun kaBiro Keuangan jadi Subbagian Pendap-atan sarta bagian fasilitasi urusan Pem-prov. dan Pemkab/Pemkot jadi duabagian nya eta fasilitasi urusan pa-marentahan Provinsi kabagi jadi duasubbagian jeung bagian fasilitasi urusanPemkab/Pemkot kabagi jadi subbagian.

Biro Keuangan direkomendasikeundina parobahan struktur : Bagian Ad-ministrasi Keuangan dipindah ka BiroHumas, Protokol jeung Umum (Biro

HPU), Subbagian Anggaran DanaTransper dina Bagian Anggaran dirobahjadi subbagian pendapatan.

Biro HPU, Bagian Sandi dan Teleko-munikasi dihijikeun jeung BagianRumah Tangga jadi Subbagian Sandidan Telekomunikasi sarta dina BagianHumas aya parobahan nomenklaturnya eta Subbagian palayanan internaljeung eksternal dirobah jadi SubbagianPemberitaan, Subbagian Publikasidirobah jadi Subbagian Dokumentasi,Publikasi jeung Perpustakaan sarta ayatambahan Subbagian anyar nya etaSubbagian Pengelolaan InformasiDaerah.

Biro Perekonomian, pikeun OPD ieustruktur dirobah jadi Biro AdministrasiPerekonomian jeung Biro Bina Pro-duksi digabung jadi Biro Perekonomian.

Biro Organisasi direkomendasikeunkana parobahan struktur organisasinyaeta: pengalihan Subbagian Pengem-bangan Jabatan Fungsional tina BagianAkuntabilitas jeung Kinerja Organisasika Bagian Kelembagaan.

Satuluyna, nomenklatur BagianAkuntabilitas jeung Kinerja Organisasidirobah jadi Bagian PengembanganKinerja Organisasi, Subbagian Akunt-abilitas Kinerja dirobah jadi SubbagianFasilitasi Kinerja Organisasi, SubbagianPerpustakaan dan Sistem InformasiPerangkat Daerah dirobah jadi Subba-gian Standarisasi Pelayanan Publikdirobah jadi Subbagian Pelaporan Kin-erja Organisasi jeung Subbagian Stan-darisasi Pelayanan Publik jadi Sub

bagian Fasilitasi Pelayanan Publik. KeurBiro Organisasi, ditambah hiji Subba-gian nyaeta Subbagian PerencanaanSetda sarta diwangun Biro Investasijeung BUMD anu mangrupa biro anyar.

Patali jeung rekomendasi parobahanstruktur OPD, nurutkeun Sugianto Pan-sus oge ngarekomendasikeun PerdaNomor 21 Tahun 2008 ngeunaan Or-ganisasi jeung Tata Kerja Dinas DaerahProvinsi Jabar, ku ayana rekomendasiieu aya parobahan struktur organisasi diDinas Pendidikan jeung Dinas Pendap-atan Daerah (Dispenda).

Parobahan struktur organisasi diDinas Pendidikan di antarana: BidangPLB dirobah nomenklaturna jadiBidang Pendidikan Khusus jeung Pen-didikan Layanan Khusus, Bidang Pen-didikan Non Formal jeung Informalrobah nomenklaturna jadi PendidikanAnak Usia Dini, Non Formal jeung In-formal.

Di struktur Seksi Dinas Pendidikanoge aya parobahan nomenklatur nyaetaSeksi Pembinaan SSN, SBI jadi SeksiPembinaan Sekolah Swasta, Seksi Pem-binaan SSN, SBI jeung Kerjasama Diktijadi Seksi Pembinaan Sekolah Swastajeung Kerjasama Pendidikan Tinggi,Seksi Kurikulum PK dan PLK jadi SeksiKurikulum Kesiswaan PendidikanKhusus dan Pendidikan LayananKhusus, Seksi Bina Promosi Kompe-tensi Siswa jadi Seksi Ketenagaan Pen-didikan Khusus sarta Seksi Kesetaraanjeung Dikmas jadi Seksi PendidikanMasyarakat. ***

Nu Robah dina Pamarentahana Jawa BaratParobahan mah ilahar. Tah, nu kawas kitu gé kasaksén di lingkungan Pamaréntahan Propinsi

Jawa Barat. Ngan, mun aya nu robah, naon mangpaatna? ***

Page 31: Mangle 2456

Manglé 2456 29

DPRD ProvinsiJawa Baratnya lutuan kana

8 Raperda anu dia-jukeun ku GubernurJawa Barat pikeunditetepkeun jadi salahsahiji Perda ProvinsiJawa Barat. Éta Perdatéh dipedar dina RapatParipurna anu diping-pin langsung ku KetuaDPRD Provinsi JawaBarat Irfan Suryana-gara.

Raperda anu dala-pan tea, nyaeta RaperdaParobahan PerdaNomor 14 Tahun 2010ngeunaan KagiatanPangwangunan Infra-struktur jeung wangu-nan gedong anu diwa ragadan ku pembiayaanpembangunan tahun jamak, dia -degkeunna BUMD widang minyakdan gas bumi lingkup kagiatan usahahilir, Parobahan kana Perda Nomor 12Tahun 2006 ngeunaan PT. TirtaGemah Ripah, Parobahan PerdaNomor 21 Tahun 2010 ngeunaanPenyertaan Modal Pemprov keur PT.Tirta Gemah Ripah, Parobahan PerdaNomor 26 Tahun 2001 ngeunaan di-adegkeunna PT. Jasa Sarana, Paroba-han Perda Nomor 20 Tahun 2010ngeunaan Penyertaan Modal Pemprovdi PT. Jasa Sarana, diadegkeunnaBUMD pengelola Bandara Interna-

sional Jawa Barat (BIJB) jeung Kerta-jati Aerocity sarta Penyertaan modalka BUMD pengelola Bandara Interna-sional Jawa Barat (BIJB) jeung Kerta-jati Aerocity.

Raperda Ngeunaan diadegkeunnaBUMD bidang minyak jeung gas buminu ngawengku kagiatan usaha hilir,Pansus VI sakumaha anu di jen-trekeun ku Yoga Santosa miharep kuayana Perda ieu, sektor gas bumi bakalbisa mere kontribusi PAD ka PemprovJabar. Sabada BUMD ieu ngadeg,Pemprov bakal sagancangna ngurussurat pangesahan jeung panetapan ti

Kementerian Hukum danHAM.

Patali jeung BandaraInternasional Jawa Barat(BIJB) oge Kertajati Ae-rocity, Pansus VI nete-lakeun, pangwangunanjeung ngokolakeun ban-dar udara sarta pang-wangunan jeung mekar keun Kertajati Aerocitydilakukeun ku BUMDmilik Pemprov Jabar anukapamilikan sahamnamayoritas.

Ngeunaan ‘penyertaan’modal ka PT. BIJB, sang -kan sagancangna disiap-keun master plan jeung‘bussines plan’ sarta Pem-prov supaya bisa ngang-garkeun penyertaanmodal ka APBD murni.Kusabab kitu, Pemprov

oge kudu sagancangna ngurus suratpengesahan jeung penetapan anu di-maksud.Dina ngokolakeun bandaraeng kena bakal dikokolakeun ku PT.BIJB jeung BUMD sejenna luyu jeungsaham anu utamana dipimilik kuPemprov Jabar jeung BUMD sejennaanu geus diadegkeun ku PemprovJabar. Dina rapat paripurna ieu,diteruskeun kana panandatanganankasapukan babarengan antara Pim -pinan DPRD Provinsi Jawa Baratjeung Gubernur Ahmad Herya wan.***

(AS)

Perda Anyar keur BandaraInternasional Jawa Barat

Page 32: Mangle 2456

Naja Taufiq FadillahAdi-adi, sobat urang anu nuju midang ieu, nami lengkepna Naja Taufiq Fadillah.

Dibabarkeun di Bandung ping 14 Maret 2008. Putra Bapa guru di SDI Al-Ghozali Purwakarta, Iwan Setiawan, S.Ag

sareng Ibu Éli Kurniati ieu, sakolana di TK. Sejahtera, Cibogo, Pléréd. Upami tos ageung, cita-citana palay jadi presidén. Bumina di Kp. Sukasari, Désa Cibogo Hilir,Pléréd, Purwakarta. Ka sobat-sobat Manglé Alit sadayana, wilujeng liburan nya!***

(Potrét: istiméwa)

Page 33: Mangle 2456

Manglé 2456 31

Jep, soanten Okaasan –sesebu-tan kuring ka indung- jeungréréncanganana jarempé.Guguling nu titadi dirungkup-keun kana beungeut, rikat

dibalangkeun. Gerung...gerung....soramobil-mobil dihirupan. Hiji-hijigerungna ngajarauhan buruan.Keteyep...keteyep, kuring leumpanglalaunan muru jandéla kamar. Lalau-nan hordéngna disérélékkeun saeutik-saeutik, noong ka handap. Kaciri diburuan, Okaasan lebet kana mobilna.Yakin Okaasan geus calik dina jokmobil, merenah tukangeun setir, kuringnyérélékkeun hordéng leuwih lega.Cetrék, leungun muka konci selot. Bray,jandéla kamar dibuka. Kuring gugupayka lebah Pépép sabatur-batur nu keursiap-siap rék méngbal di lapang peun-taseun kamar kuring. Atra ti kamar ku -ring mah ka lapang méngbal téh,bubuhan kamar kuring téh ayana dilanté dua.

“Nobuoooooo......!” gebrug! Sadapanto mobil digebrugkeun satarikna.Wah, tanda bahaya! Horéng Okaasantéh can enya-enya rék angkat.Gajleng...! kuring luncat deui kanapangsaréan. Gep, guguling dirungkup-keun deui kana beungeut. Plok, plak,plok, plak......sora sendal Okaasan nin-cak hambalan tangga bari rusuh jeungpasti bari ambek. Plak! Sada sendal eu-reun persis hareupeun kamar.

Dor! Dor! Dor! Panto diketrokan,aéééhhh.....digedoran satarikna. Alahsiah! Okaasan marah besar deui waékieu galagatna mah.

“Nobuoooo....doaaketeyoooo....hayaku...!” soantenna ticempréng-cempréng waé miwaranggancang muka panto. Lamun Okaasangeus nyarita ku basa Jepang, hartinaanjeunna geus kacida benduna. Akété,akété....buka wé kituh! Sieun ku ben-duna bisi kapapanjangan, horéam-horéam gé kuring ngoléséd tinapangsaréan. Tuluy muka panto.

“Awas nya, lamun ulin deui jeungbarudak kampung! Dibéjakeun deui kaOtoosan geura! Tong bangor-bangorteuing atuh manéh téh Nobuo! Nété yo!Hayaku!” Okaasan nitah saré beurang,bari curukna bentik-bentik waé nunjukkana pangsaréan.

“Haaaaaai, hai!” kuring lalaunan me-undeutkeun panto.

“Hai-na sakali! Dasar budak bangor!”saméméh panto meundeutna sam-pruna, Okaasan nyentak. Urusan nye-but “hai” nu hartina “muhun” ogé jadisoal gedé keur budak Jepang mah.

Nyebut “hai” leuwih ti sakali bari di-aleukeun, pertanda jawaban budakbangor, tandaning ukur heueuh-heueuh bueuk, cenah ceuk Okaasanmah. Teu didéngé ieuh, panto dipeun-deutkeun. Cetrék! Kadéngé pantodikonci ti luar. Aduuuhhh.....’na boga

indung téh mana loba-loba teuing atu-ran, nya!

“Utaaarrr.....mihapé budak, nya!”hawar-hawar ti handap kadéngéOkaasan ngagéréwék ka Mang Muhtar–raina- purah maturan kuring munpareng anjeunna angkat-angkatan.

“Muhun mangga, Téh! Keun kumahaUtar wé!” wéy! Hébat éta Si Mang Utaranu kasép. Kuring nyenghél tukangeunguguling. Resep kuring mah ka MangUtar téh. Teu pati kasép ogé jadi asapangkasépna wé ceuk kuring mah.Geura, sakeudeung deui gé Si Mamangnu dipihapéan konci kamar kuring téhbakal nyampeurkeun, lantaran mobilOkaasan geus sidik sora angkatna. Kuteu kapok-kapok deuih Okaasan téhngawiatkeun konci kamar ka MangUtar.

Teu kungsi lila......cetrék! sada koncipanto dijetrékkeun.

“Aman, Bosss....!” Mang Utar ngageu-big-geubig awak kuring nu peu-peureuman bari api-api nyegrék.

“Aaahh...nya enggeus we, ari moaltulus maén bal mah!” Mang Utarngagerendeng bari malik deui murupanto kamar.

“Héh! Entong atuh...entong! da MangUtar mah kasép apan?” kuring ngagur-injal bari lumpat nyampeurkeun MangUtar.

“Jung- jung atuh! Bisi Okaasankaburu balik deui,” ceuk Mang Utarbari namprak, socana kucap-kiceup.Kuring geus ngarti deui nempo MangUtar peupeureudeuyan kitu téh.

Kojéngkang kuring nyampeurkeunméja belajar. Kop nyokot coklatkasedepna tina kéler, minangka“panutup baham” Mang Utar.

“Mang Utar, itsumo arigatou nee!”kuring nganuhunkeun.

“Sawangsulna, Obu! Kadé, ati-atinya!” ceuk Mang Utar bari ngusap sirahkuring. Tuh nya, bageur ceuk kuring géSi Mang Utar téh. Kuring gura-giruturun. Gesat-gesut maké sapatu méng-bal. Srod, rangsel eusi sendal jeung bajuganti digandong. Berengbeng lumpatmuru lapang, nyampeurkeun babatu-ran nu geus narungguan titadi. Sarébeurang paréntah Okaasan mah...bay-bay wé ah!***

(Hanca)

Carita Nyambung Manglé Alit,

Panganteur: Adi-adi ti mimiti Manglé Alit édisi anu ieu, rubrik car-

pon diselang heula ku rubrik carita nyambung “Si Obu” kénging

Téh Narti, anu ngasuh rubrik Manglé Alit. Dilélér jadi Pinunjul

Harepan dina Saémbara Ngarang Novélét Barudak ku Paguyuban

Panglawungan Sastra Sunda taun 2007, dicitak jadi buku bacaan

barudak.

“Si Obu” téh nyaritakeun hiji budak lalaki, campuran Sunda jeung

Jepang. Najan boga karep nuluykeun sakola di Jepang, nagara

asal bapana, kacinta Obu ka tanah Sunda kacida kentelna. Malah

cita-citana mah, salulusna ti sakola di Jepang, boga karep

hayang babakti ka lemah cai indungna, Indonésia.

Si Obu (1)Ku Téh Narti

Page 34: Mangle 2456

Adi-adi, hidep saréréa pasti apal nukumaha ari Laleur? Lamun ayaanu can sidik anu kumaha ari

Laleur, hidep bisa nengetan gambarna.Cing Tétéh rék naros, saha di antara

adi-adi anu kantos tiasa nepak Laleur kupanangan, dugi ka beunangna? Pastisesah, nya? Da Tétéh ogé sami. NepakLaleur mah leuwih hésé batan nepak re-ungit. Tah….adi-adi, horéng aya “rusi-ahna”, naha Laleur bet hésé digeplakna!

Adi-adi, para élmuwan ti Institut Té-knologi California, Amérika serikat, geusnalungtik Laleur salila 20 taun. Rajin nyaadi-adi, panalungtikan nepi ka 20 taun!Ari urang mah raos, tinggal rajin maca…...lima menit ogé bakal terang hasilna!Teu kudu nungguan nepi ka 20 taun. Numatak, sing rarajin maca nya!

Hasil panalungtikan Michael Dickin-son, Ésther M jeung Abé M Zarem nye-butkeun, Laleur téh dina otakna ayabagéan anu gunana pikeun ngabéjaan di-rina tina bahaya dina waktu jeung jaraknu jauh-jauh saméméh ancaman datang.Hartina, lamun urang niat rék ngageplakLaleur, dina waktu sakeudeung pisanjeung jarak nu jauh kénéh, ku bantuanmatana, otak Laleur bakal nitah awaknapikeun hiber ka arah nu sabalikna ti nurék neunggeul. Nurutkeun para él-muwan, sanggeus kapanggih sabab-musababna kitu, panalungtikan sate rusna nyaéta néangan bagéan mana tinaotakna anu gunana saperti disebutkeuntadi.

Hal séjén anu bisa mantuan Laleurdina nangkep “sinyal” ayana bahaya kuotakna, nyaéta matana anu ngabogaanlénsa leuwih ti hiji jeung gunana bisaningali ka sagala arah. Dina istilah paél-muan, mata Laleur téh biasa disebut“mata majemuk”. Panon Laleur, nu-rutkeun panalungtikan éta kénéh, bisangarasakeun geter cahaya nepi ka 330kali dina sadetik. Hésé ngahartikeunanaogé nya, adi-adi? Kieu atuh…singgetna,kakuatan panon Laleur pikeun nangkepsagala rupa anu katingali, bisa nepi ka 6

kali lipet kakuatan panon manusa,leuwih awas batan soca urang, adi-adi!

Taaah…..jadi kurang leuwih kitu, nahaLaleur bet hésé ditepakna. Teu kawas re-ungit nu sakali ngageplak bisa pejét dinaleungeun urang. Tapi, mudah-mudahandina

geus kapanggihna ogé hasil pana -lungtikan otak Laleur téa, anu hartinabakal bisa ngarahkeun manusa sangkanbisa ngageplakan Laleur kalawan “suk-sés”, urang mah ulah boga niat deleka kaLaleur téh, ah! Lamun teu kapaksa-ka-paksa teuing mah, cukup ku dige-bahkeun baé sangkan ingkah ti urang,pangpangna ulah nepi ka eunteup dinadahareun urang, bisi sukuna mawa koko-tor. Atuh anu leuwih bisa dilakukeun kuadi-adi mah taya deui iwal ti hayu urangbabarengan miara lingkungan supayatetep beresih, ngarah Laleur ogé teudaékkeun nyampeurkeun.

Jadi, ka urangna ogé teu matak dosa,teu kudu maéhan papada mahluk Allohnya, adi-adi?***

(Téh Anti)

Manglé 245632

Laleur

Urang Teguh Yuu!

Buku peunteun hasil suhudLaporkeun ka indung bapa.

Buku naon cing? *** (Yolan - Bandung)

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilapditémpélan kupon UTY No. 1246. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya

No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.Jawaban UTY No. 1243

Nu leres : Bulan Muharam

Nu kénging hadiahna: 1.Yani MulyaniJl. K.H Ahmad Dahlan No. 22Ciamis

2. Aldi SSD. Muara CiwideyCilampeni – Katapang, Kab. Bandung

3.Mirna Jl. Muararajeun No.23A Bandung

Page 35: Mangle 2456

33

1. Panérésan = Tukang nyadapNyadap téh pagawéan ngala cai lahang tinatangkal kawung, anu engkéna diolah jadi gulabeureum.Conto kalimahna : Paingan sok nyadap waéMang Wasri téh, da jadi panérésan.

2. Panday = Tukang nyieun parabottina beusiConto kalimahna : Mending ti panday meulibedog téh, améh murah!3. Palédang = Tukang nyieun parabottina tambagaConto kalimahna : Ari meuli sééng ti palé-dang mah mani hadé, da bisa milih.4. Kamasan = Tukang nyieun parabottina emas atawa pérakConto kalimahna : Meureun beunghar nya,ari jadi kamasan mah!5. Gending = Tukang nyieun parabottina kuninganConto kalimahna : Nini mah ngagaleuh boko-rna téh langsung ti gending.6. Paninggaran =Tukang moroConto kalimahna : Bubuhan paninggaranMang Bari mah, bagong bayangan ogé beu-

nang baé.

Kecap malim, gending, candoli, pan-day jeung paninggaran, pék eusikeunku hidep!

1. Patik téh kudu disipuh deui, geura bawaka__________________ atuh!2. Maung anu ngamuk ogé ari ku_________________ mah nurut.3. Unggal poé Ahad téh moro waé MangSukri mah, da jadi ____________.4. Saha nu jadi _____________ basa PaHaji hajat téh?5. Kénging ngagaleuh ti ______________bokor kuningan téh.

Pancén: Jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap!

1. Palika2. Kamasan3. Maranggi4. Panérésan5. Palédang

*****

Manglé 2456 33

Ku Nila Karyani, S.Pd

Kelas V

Istilah nu Aya Patalina jeung Patukangan

Adi-adi dina kahirupan urang sapopoé loba pisan istilah anu dipaké dina widangna séwang-séwan-gan. Istilah nyaéta kecap anu sering dipaké dina hiji widang. Upamana waé istilah dina widang té-knologi, widang pendidikan, olah raga, seni jeung sajabana. Dina kahirupan urang Sunda, loba istilahanu dipaké, di antarana baé istilah anu aya patalina jeung patukangan. Naon ari patukangan?Hidep tangtu apal anu disebut tukang dagang, tukang listrik, tukang béca, tukang sol sapatu jeungsajabana. Dina kahirupan, lian ti patukangan anu hidep geus apal, tangtu aya ogé istilah patukanganséjén anu bisa jadi hidep can kungsi apal.Ngaran-ngaran patukangan anu séjénna , di antarana baé dipedar di handap ieu.

Page 36: Mangle 2456

34 Manglé 2456

ioskeun ka kuring mah,ngan tina kongkolak so-cana kuring bisa nyawangkalewang Apa nu tayahinggana. Raray Apa kacirirada kanyosna. Kuringngan wasa unggut. Imutsaeutik bari dina jero hatémah ngarakacak.

Harita, langit haté ku -ring nu cangra laun-launjadi kulawu deui. Hayangteuing der hujan ngagebrétsing badag, sangkanléngkah Apa ninggalkeunkuring di panti jadi kaha-lang. Sangkan upama ku -ring ceurik nangkél kaApa, teu katangén mere-beyna cimata, ogé teukapireng hingna soraceurik.

Kuring pisah deui jeungApa. Ngan haté teu lewangteuing, isuk jaganing gétokuring masih bisa papang-gih deui jeung Apa.

Teu kawas hayangpanggih jeung Ambu nugeus mulang ka kalang -gengan. Teu kawas baba -turan kuring nu Ambujeung Apana geus tayadikieuna.

Ayeuna mah mun hujangeus réngsé, kuring karékhayang nyawang langit.Hayang ngagambar rarayApa dina langit nu cangratuluy diteundeun dina la -ngit haté kuring. Komomun aya katumbiri, kuringsok tuluy tanggah. Lir imutApa, melengkungna ka-tumbiri mapaés mamarasrasa.

Sababaraha minggu tiharita, kuring mimitibetah cicing di panti. Ibu,bapa, jeung babaturanpanti mimiti karasa antebkanyaahna. Cahya panon-poé mimiti meleték dina

langit haté kuring. Ha-neutna mimiti sumaram-bah. Teu lila langit hatékuring cangra téh, Apaninggalkeun kuring kakalanggengan. Kacidahandeueul, sabab kuringdibéjaan sanggeus Apadikurebkeun.

Handapeun langit nukulawu, kuring ngabedah -keun deui cimata dinahandapeun tetengger Apa.Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor dinajero dada, sabab nu ka luarmah ngan berebeynacimata nu teu kaampeuhngahiji jeung keclakna ci-hujan nu keur maseuhan.

Harita, kuring nganwasa tungkul, menekungbari jiwa asa gorowong kutatu nu taya wujudna.Lisan ngalafadkeun run-tuyan dunga.

Sedeng leungeunngawurkeun kembangsamoja. Ieu raga asa geusteu bisa ngararasakeunnanaon iwal ti mireng soraguludug nu neunggeulanmamaras.

Kuring percaya, langitmoal salawasna angkeub.Sabab hujan bakal ngarir-incik luyu jeung wancina.Kuring ogé percaya, langitmoal salawasna cangra.Sabab cahya panonpoélaun-laun bakal tilem luyujeung wancina. Sabab ku -ring masih percaya,upama titik-titik cihujankasorot cahya panonpoé,langit bakal beuki éndahkatumbirian.

Di panti, éta katumbiritéh mimiti mapaésan lan-git haté kuring. ***

Baitii, 8 Oktober 2013Kahatur utun inji

anut. Lantaran ngan kujalan kitu, Yoga bisa mawaKatarina ka lemah caina.Tur saterusna reureujeu -ngan di dunya. Asal ulahditinggalkeun pokna deui,daria naker. Bangbaluhbatin Yoga asa peuray saeu-tik. Tapi naha indung ba-pana bakal raridoeun?

“Hhh!” Teu karasa Yogangarahuh.

Geus katilu kalina am-plop surat pulas bodas nukatampa ku Yoga minggukamari dibuka deui. Aksaralatén bapana nu nyang-géyéng dibaca deui. Eusinanételakeun yén kaayaan dilembur mah angger aman,tingtrim. Bapana nanya -keun iraha Yoga rék balik,indungna geus sonoeunpisan.

Tong boro indung ba-pana, Yoga gé mani asageus sagok-gokeun hayangtepung jeung kolotna. Salilaméh tilu taun ngumbara,can kungsi balik sakali-kaliacan. Ngan, surat jeungsurat baé nu jadi andelanpikeun silih béjaan kaayaanYoga jeung kolotna, kitu gélila pisan ukur dua bulansakali.

Goréhél poto hideungbodas nu geus kungsiditempo, ditilik-tilik deui.Bréh, indungna dikabayasamping jangkung, katin-gali paromanna manimarahmay.

“Yoga anaking, munengké hidep néangan pipa-majikaneun omat kuduawéwé nu sholehah, tu-runan jalma bener. Munbisa mah nu sanagara,sukur-sukur jeung batursalembur,” ceuk indungna,basa Yoga rék miang.

Di gigireun indungna, ba-pana nu jangkung badagmaké setélan jas, dikopéah

hideung. Bapana imutpinuh ku wibawa. Geuskacipta ku Yoga mun balikbari mawa Katarina, lian tiurusanana pajurawet,kolotna can tangtu satu-jueun. Komo bapana salakusesepuh di lemburna panu-tan saréréa, bogaeun mi-nantu nu asalna ti nagaradeungeun, mana teuingsediheunana.

Katarina nu ti tatadinangtung, nyampeurkeunYoga. Gék manéhna diukgigireun Yoga. Panonna numasih kénéh carindul neu-teup anteb kana beungeutYoga.

Leungeun Katarinanyekelan kana puhu leung -eun Yoga, beuki lila beukipageuh. Yoga surti, Kata-rina tangtu embung diting-galkeun ku manéhna. Yogabingung. Rét kana poto in-dung bapana, rét ka Kata-rina.

Sanggeus ngahenengsababaraha lila, manéhnanyokot kertas jeung pulpén.Barabat nulis aya kana dualambarna, netélakeun ka in-dung bapana yén manéhnakeur dina kaayaan séhatwalafiat. Yoga gé nyari-takeun sagala rupa pangala-manana salila dua bulan teungirim béja. SakedapanYoga eureun heula,ngarénghap panjang naker.Gutrut, ku Yoga éta pulpéndituliskeun deui. Manéhnanyaritakeun soal hubungan -ana jeung Katarina, kaasupkasanggupan Katarinanyaluyukeun dirina.

“Ema sareng Bapa, abdineda dihapunten. Nahakawidian, upami abdiwangsul ngabantun Kata-rina?” cék Yoga dina tung-tung suratna. ***

Panglawungan 13

Sambungan ti kaca 21Sambungan ti kaca 19

Page 37: Mangle 2456

Manglé 2456 35

barudak sigana geus teusabar, da geuning ti tatadigeus nyarekel piring.

Pais lauk, pais hayam,sambel, asin sepat, seupandaun sampeu jeung bon-téng minangka lalabna.Angin ngahiliwir. Wah,pasti nikmat pisan. Kakaraogé ngalas sangu keurbarudak, ti tonggoh ayaaki-aki ngajingjing pe -lastik. Katingalina mahgeus kolot pisan, meureunumurna leuwih ti tujuhpuluh taun. Tapi mani jag-jag. Ambekanana teukatingali raranjugan. Bajusarwa hideung, ditopilaken.

“Aki... urang ngariungheula geura, seueur dasangu mah,” pok téh.

Si Aki nyampeurkeun.Bapana barudak anu diukdi tungtung ngagésérdiukna. Sasalaman.“Mangga Aki, di dieu,”cenah nyambung pangajakkuring.

“Sok wé dilajengkeun.Aki mah milu reureuh wédi dieu.”

Tapi kuring hidengngawadahan sangu hatur -an si Aki.

“Entong, Aki mah areun-gap kénéh. Sok wésingwarareg,” ceuk si Akisiga anu terus rasa rék di-pangalaskeun.

“Naon atuh, Aki. Cau, se-mangka, sareng brownisaya,” ceuk kuring baringaluarkeun anu amis tinatas, diwadahan kana pir-ing, sok di hareupeun siAki.

“Aki téh tos ti mana?”ceuk bapana barudak.

“Biasa wé ngontrol baringajagjageun suku. Kudusering jalan-jalan ngarah

loba luang.”“Ngarah teu sering mopo

nya, Ki?” ceuk si Tétéhmairan bari ngarérét kakuring. Kaka jeung bapanabarudak sareuri. Si bungsumah teu ngartieun.

“Bener, ngarah teu gam-pang mopo. Aya karerepetsaeutik mopo, susah saeu-tik mopo.”

Bari ngariung nyewolanasin sepat jeung pais téh,ngobrol mah jeung si Akihenteu eureun. Cenah mahti baheula ogé ieu tanjakantéh tempat pangulinan. SiAki mah nyahoeun saacanaya tangkal awi anu ngaja-jar ngiuhan jalan nanjaktéh matak wegah anungaliwat.

“Atuh Aki uninga ku-naon tanjakan ieu disebatTanjakan Abah Surta?”tanya si Tétéh.

“Puguh wé nyaho mah.Abah Surta téh anu ngageugeuh di dieu. Apan sang -geusna perang ngusir Wa-landa, terus ngusir Jepang,Abah Surta sabalad-baladapan baralikna téh ka dieu.Bambu runcingna ditaran -cebkeun di dieu. Tah dapu-ran awi ieu téh asalna mahtina bambu runcing téa.”

“Naha bambu runcingtiasa janten tangkal awi?Naha bambu runcingnahenteu dianggé deui?”ceuk si Bungsu, ti tadi hen-teu talété meureun ateulogé.

“Apan perangna ogéatosan. Ayeuna mah awidituar sanés kanggo bam -bu runcing, tapi kanggonaon waé.”

Bérés balakécrakan, pi -ring jeung gelas diéntépan.

“Unda, sangu Dé Rakéyteu séép. Kamanakeun?”

ceuk si cikal.“Awurkeun wé di ta -

neuh, keur sireum. Kakasareng Dé Rakéy gundu -keun runtahna, wadahankana pelastik.”

Kaka jeung adina ngum -pulkeun runtah kanapelastik. Geus biasa di ku-lawarga kuring mah, la -mun balakécrakan di luartéh runtahna sok dikum -pulkeun. Lamun aya tongsampah kari ngasupkeun.Upama teu aya sok dibekelruntah téh. Runtah baseuhmah upama aya tempatnadiruang.

“Kayungyun Aki téhnempo barudak ngaberesi-han runtah, ngaruang run-tah baseuh. Da henteuloba, Néng, anu kawasbarudak Néng téh.Lolobana mah runtah téhlung wé di mana waé.”

“Dibiasakeun ti barudakkénéh, Aki.”

“Nya, saé kitu, Néng. Akitéh reugreug masih kénéhaya siga kulawarga Néng.Sok wé badé neraskeun kaluhur mah. Aki mah rékmulang.” Si Aki nangtung.“Tah, ieu mah hadiah keursi Ujang, si Bungsu, meu-nang panimu tina rungkunawi,” cenah bari ngaluar -keun bungkusan tinapelas tik. Ku kuring ditam-panan, sok wé diasupkeunkana tas si bungsu. Sibungsuna mah keur an-teng jeung lanceuknanoong pamandangan tinatoropong.

“Aki téh nyandak naonatuh mani sapelastik kitu?”ceuk kuring.

“Nyaéta puguh ieu ogéruntah.”

Si Aki amitan. Sasala-man jeung bapana baru-dak mah. Terus turunnuluykeun lalampahan ana.Ku kuring jeung bapana

barudak ditempo keunnepi ka ngilesna dirungkun awi anu panghan-dapna.

“Saha téa cenah si Akitéh?” ceuk bapana baru-dak.

“Nyaéta duka. Da nujuabdi budak mah teu acankungsi pendak.”

“Êta wé asa araranéh.”“Anéh kumaha?”“Henteu wé...,” cenah.

“Hayu ah urang tuluykeunka puncakna, da ngansakedik deui.”

Kuring ngahuleng. Anéhku naon? Ditatanyakeun géda teu ngajawab, kalahpokna téh, éta pedah si Akiteu daék disuguhan na -naon ogé. Basa tos nepideui ka bumi Ibu, kakarabapana barudak balaka. SiAki téh mani tarariis cenahramo-ramona. Padahalharita téh apan tengah poé.Waktu didongéngkeun kaApa, kalah molohok.

“Anu diacuk sarwa hi -deung?” saur Apa.

“Muhun.”“Resep ka anu sok be-

beresih?”“Muhun.”“Abah Surta éta téh. Ti

baheula katelah resep be-beresih. Enya ogé jamanwalurat, tapi di sabudeur -eun saungna mah barare -sih, barérés.”

Kuring ngagebeg.Reuwas téh apan si bungsumah dihadiahan bungku-san. Kuring gancang kakamar. Nyampak téh sibungsu keur maca bukubari paromanna manialum, siga-siga cirambayanmalah. Ditingali téh judulbuku anu keretasna geuskonéng: Si Leungli. Ba-heula, kuring ogé sokceurik macana. ***

1 Oktober 2013

Sambungan ti kaca 23

Page 38: Mangle 2456

36 Manglé 2456

Gedé karumasaan ngadeg di Sunda,Karawang patilasan Tarumana-gara, gedé turta jadi jugala ogé di

Sunda, Pupuk Kujang mindeng ngagelarkagiatan Budaya Sunda, kaasup pasang-giri-pasanggri. Ahir taun 2013 ayeunabigelar Pasanggiri “Layeutan SwaraPupuk Kujang 2013”. Ideu jeung rencanangagelar pasanggiri mimitina kaluar tiDiréktur Komérsial, Lilliana Afriliandi,anu langsung ditampi jeung disaluyuan kuDiréktur Utama Pupuk Kujang, BambangTjahyono. Urang téh lahir, gedé, jeungterus jugala di Sunda, jadi kudu milu nga-mumulc seni budaya Sunda, kudu nyaahka sarakan Sunda. Dirut panuju digelarpasanggiri. Éta sarjana lulusan ITB téhnétélakeun siap natharkeun sagala rupana.

Dirut Bambang Tjahyono malah usulsangkan pasanggiri lain keur lingkunganpupuk Kujang wungkul, tapi keur sa-Kabupatén Karawang. Dirut langsungnepangan Bupati Karawang , Ade Swara,sagala rupa angen-angenna ditepikeun kaBupati. Puguh wé Bupati kacida bunga -heunana, ideu Pupuk Kujang langsung di-tampi, pasanggiri lain keur internal PupukKujang wungkul, tapi keur sakabéh golon-gan, pangpangna sakola-sakola. Jejernaogé robah jadi “Karawang Ngawanoh -keun Budaya Seni KarawitanSunda kaPara Nonoman dina gelar Pasanggirilayeutan Swara Pupuk Kujang 2013”.

Dirut Pupuk Kujang anu sapopoénanyarios ku Basa Sunda téh ngatik karya -wanna kana tatakrama Sunda anu hadé ,sagigireun mekelan kaparigelan seni bu-dayana. Mun aya anu kurang ngartos taralingsem tataros ka ahlina. Harepan DirutBambang Tjahyono, upama gelaranmungaran hasil, engkéna pagelaran arékdilaksananakeun dua taun sakali. Amba-hanana ogé tangtu ngalegaan, bisangawengku wilayah IV atawa bisa jadi di-agéndakeun di Jawa Barat keur sapropinsi.

Juri-juri PetinganKeur ngajaga ajén, ceuk Lilliana, geus

usul sangkan para juri didatangkeun tiBandung. Di antarana Ida Rosida, juruKawih putra maéstro kawih Sunda, MangKokjo, dosén STISI, jeung anu séjén-séjénna, kaasup Koswarmika, dosén STISI

ogé.Hadiahna disadiakeun CD lagu-lagu pi -

lihan, kaasup lagu-lagu Mang Koko jeungalmarhum Nano S. Dibéré hadiah partiturLagu-laguSunda anu disebut SeratKanayagan.

Lagu wajibna “Pupuk Kujang Makalan-gan”, diciptakeun méh 17 taun ka tukangku Soleh Rauf, diaransemén ulang ku IdaRosida. Lagu pilihanna Hariring Ban-dung, Hariring Haleuang Tembang,Reum beuy Bandung, Sétra Galih, SituAksan, jeung Sunda Jaya.

Pikeun tingkat SLTP lagu wajib Hari -

ring Bandung, Hariring Haleuang Tem-bang, Reumbeuy Bandung, Sétra Galih,Situ Aksan, jeung Sunda Jaya. Lagu wa-jibna Pupuk Kujang Makalangan. Pikeuntingkat SLTA/SMA jeung karyawan, laguwajibna sarua Pupuk Kujang Makalangan,lagu pilihan Angin Burit, Béca, GirimisKasorénakeun, Bulan Dagoan, HidupBaru, Kamuning, jeung Sarakan.

Pasanggiri lumangsung ti tanggal 22 tepika 24 Désémber 2013 di Graha Pupuk Ku-jang. Aya tingkat penyisihan méméh majuka final.***

aam

Pasanggiri Layeutan Swara Pupuk Kujang 2013Pikeun Pelajar Jeung Karyawan

Page 39: Mangle 2456

Manglé 2456 37

Alatan hayang ngangkat kahiru-pan kulawarga, Upi Sopiah (34)luas ninggalkeun anakna nu

masih kénéh balita, lunta ka Arab Saudipikeun jadi tenaga kerja wanita (TKW.Tapi harepan ngarawu “real” henteutinekanan, kalah nandangan panyiksa tidununganana.

Ceuk Upi, kurawang leuwih opat taunsatengah gawé di Arab dirina ngalamangawé di dua dunungan. Di nu kahiji ukurtahan lima bulan alatan teu kuat nan-dangan siksaan. Upi antukna kabur bariteu puguh tujuan. Salila gawé di dunu -ng an nu mimiti Upi teu kungsi narimagajih. Malah waktu nanyakeun bayaranukur dijawab ku panyiksa.

Waktu gawé didnungan nu kadua,nasib wanoja éta warga Désa Bunina-gara Kutawaringin Kabupatén téh tayabédana. Salian ti meunang payiksa, pas-por Upi ogé rampas.

“Di dunungan anu kadua mah kéng-ing gajih, namung séép da dianggo biayahirup salami di Arab,” pokna, waktuditepungan di RSD Soréang, KabupaténBandung.

Kusabab geus teu kuat nandangan pa-nyiksa ti dunungan, Upi kabur néanganpanyalindungan ka kantor KBRI nu ayadi Arab Saudi. Ku patugas KBRI Upi nugearing tur teu walakaya téh dibawatatamba ka rumah sakit di Arab. Alatankasakitna beuki parna, Upi dianteur -keun balik ka Indonésia.

“Pun bojo dugi ka Indonésia dintenJumaah (6/12), dijemput langsung kuabdi di Cengkaréng (Bandara Soekarno– Hatta-réd). Harita kaayaan pun bojomatak watir, tong boro mapah tatih géteu tiasaeun, ukur murigis bari nyepe -ngan patuangannana,” ceuk Wawan,salakina, nu harita marengan Upi diRSD Soréang.

Sabada datang ka lembur, Upi lang-sung dibawa ka RSD Soréang. Tina hasilpamariksaan dokter di éta rumah sakit,ditétélakeun yén Upi tatuna parna.

Rahimna kudu gancang dioperasi. “Saurna tatu nu dialaman ku pun bojo

akibat patuanganana sareng bobokong -na sering teuing ditajong, jantenrahimna ancur,” Wawan ngémbohan.

Salian ti ngalaman tatu anu parna,dina pipi jeung sirahna Upi waktu di-pariksa aya raheut anu masih kénéhgetihan. Ceuk Wawan, mantaun-taungawé di Arab Upi teu mawa duit sapésér-pésér acan. Malah keur mayar biayaope rasi jeung parawatan salila di rumahsakit ogé ngandelkeun panghasilanWawan, nu ukur jadi kuli bangunan. Upiindit ka Arab dibawa ku calo urangCililin Kabupatén Bandung Barat, ngali-watan Perusahaan Jasa TKI (PJTKI) di

Jakarta Selatan.Kepala Dinas Tenagakerja dan Trans-

migrasi (Disnakertrans) KabupaténBandung, Rukmana, nandeskeun, dirinacan narima laporan ngeunaan ayanaTKW urang Kab.Bandung nu disiksa diArab.

“Sim kuring teu acan nampi laporan.Tapi pami leres tos dirawat di RSDSoréang sim kuring badé ngecék lang-sung,” ceuk Rukmana, nu haritadibarengan ku Kasie PenempatanaTenaga Kerja, Disnakertrans KabupaténBandung, H Yosef.

Rukmana nétélakeun, sabenerna titaun 2011 Kabupatén Bandung geus ayamoratorium keur TKW nu sifatna infor-mal. Salila ieu Disnaker ukur ngaré -koméndasi ka tanaga-tanaga formal,saperti dokter, parawat, atawa pagawélianna di luar nu informal. Jadi lamunaya kénéh TKW informl ti KabupaténBandung, sigana éta mah anu “luncatpager” . Tapi pikeun pasualan Upi, Dis-

naker moal cicingeun, bakal metakeuntarékah sangkan Upi bisa narima hakna,sarta merkarakeun piha-pihak anungalantarankeun Upi nandangan pa-nyiksa. ***

nunk

TKW ti Kabupatén Bandung Dikaniaya nepi ka Rahimna Ruksak

Upi Sopiah, TKW nu dikaniaya nepi ka rahimna ruksak

Page 40: Mangle 2456

38 Manglé 2456

Rebo peuting (11/12) kota Ban-dung beda ti sasari, rebuan jalmati suklakna ti siklukna, ngagim-

bung di lapangan Tegallega. Éta peutingjadi bukti warga Bandung hususna,

Jawa Barat umumna, meunang pang-bagéa nu kacida matak sugema.Dibagéakeun ku rupa-rupa hiburan, timimiti tembang, tari nepi ka seni-seniséjénna sabangsaning sulap jeung

dongéng. Aya pintonan ti Taufiq Fa-tarohman, jeung seniman petingan kotaKembang saperti Doel Sumbang, RitaTila, Ebith Biet A, Ega Robot dina acarapamungkas Djarum Coklat Napak JagatPasundan 2013. Sabada ngider dayeuhsaba lembur, acara Napak Jagat Pasun-dan 2013, puncakna museur di lapangTegallega, Bandung.

“Bandung mangrupa titik ahir ti 19kota/kabupatén di Jawa Barat, dinagelar akbar Napak Jagat Pasundan2013. Dirojong ku seniman-senimanpetingan saperti Doel Sumbang, RitaTila, ogé pidangan seni budaya tradisiJawa Barat séjénna. Pokona, di acarapamungkas, éstu ngahibur warga kotaBandung hususna, Jawa Barat umum -na,” kitu ceuk Budhi Agoes Salim, Mar-keting Services Officer Djarum BSO.

Budhi nétélakeun, pagelaran anu dio-lah kalawan apik sarta hasil rancagégawé babarengan jeung Paguyuban Pa-sundan, éstu neundeun harti jeungmakna anu kacida luhungna. Pang-pangna lebah olahan, éstu midangkeundangong jeung ngangkat sarta nan-jeurkeun ajén-inajén seni budayaSunda. ***

(nay)

Gelar Akbar Napak Jagat PasundanDipungkas di Tegallega Bandung

Doel Sumbang, midang dina puncak acara Napak Jagat Pasundan di lapang Tegallega-Bandung.

Para Alumnus SMPN 2 Tasikmalaya entragan 76geus ngalaksanakeun tepang sono atawa réuni diUniversal Hotél Jalan Stiabudi Bandung, bulan

nopémber nu kaliwat, kalawan susunan panitia Ketua: H. Riyadi Dwiyana SE.MSi, Wakil Ketua: Arief Budi-

man, Sékrétaris: Ir. Hj. Ine Yulianinhsih, Bendahara:Hj. Iis Kristiana, Sié Acara: Hj. Nining Sekarwati, Hj.Nani Yunaningsih SE, Hj.D. Krisnawati Dra, Dr. H. EllyHerlina. SE. Jamhari, H. Dana. S***

nay

Ketua Panitia Alumni SMPN 2Angkatan th 1976

Réngréngan Panitia, ReUni SMPN 2 Tasikmalaya angkatan 76

Brigadir Jenderal Polisi. Dr. Drs. H. Anton

Charlian, alumnus SMPN 2 Tasikmalaya

Tepang Sono Alumni SMPN 2 Tasikmalaya Entragan 1976

Page 41: Mangle 2456

Manglé 2456 39

Page 42: Mangle 2456

40 Manglé 2456

Gambar ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

Page 43: Mangle 2456

Manglé 2456 41

Anak cangehgar kokore -lengan bari ceurik ciciakanngageroan indungna.

Tayoh na kaburitan sieuneun baliksorangan ka panyumputanana.Bongan kamalinaan teuing ngan-teur karesep kokoreh nea ngan ca -cing kabeukina. Kaduhungeun nepika papisah jauh jeung indung katutadi-adina.

Kadengeeun ku Ajag anu kakarakaluar ti panyumputanana reknyiar hakaneun. Gancang nyaling -ker nyumput handapeun tangkalkiara. Ngin tip-ngintip susugananpanggih jeung indung cangehgarneangan anakna. Tapi salila-lilanungguan indung cangehgar hen-teu datang bae.

"Hanjakal panggih jeunganakna. Moal seubeuh keursasarap-sasarap acan. Mendingurang akalan. Urang anteur keunbalik sugan nyaho di mana sayangpanyumputanana...” gerentes hateKi Ajag.

Beuki peuting anak cangehgarbeuki tarik ceurikna. Tiris, keu -eung, lapar jeung sieun cuang-ci -eung sora ngan dina tempat haraharaeun.

”Ku naon ceurik. Jalu?” tanyaKi Ajag bari nyampeurkeun.

Puguh bae anak cangehgar tehreuwaseun. Teu nyaho ti tadinanyampak hareupeun. Ki Ajag.Beuki murengked meped kana akarsanggeus teges saha anunyampeur keun manehna. Ingeteun

keneh caritaan indung bapana,bangsa ajag mah ka beukina nga-hakan bangsa manehna.

"Ulah sieun-sieun. Jalu ...! Akimah geus kolot tara ngahakancangehgar!” cek Ki Ajag surtieunkasieun anak cangehgar. Poknadeui. "Sieun balik ka imah ...? Yu,urang anteur ari keueung mah!”

“Embung siah! ... tulung ... tu-lung anak ca¬ngehgar teterejelanhayang leu pas tina tangkeupan KiAjag.

"Ih. ari Si Jalu ... teu beunangdipikanyaah! Tem¬po, kapan teungakan!” cek Ki Ajag bari ngusapansirah na.

Mimiti ceurikna eureun nyahoKi Ajag henteu mergasa manehna.Malah sabalikna. ngahenen dinakeukeupan Ki Ajag. Ki Ajag seurileutik bisa ngolo anak cangehgar.

”Yu. urang balik ...,! lndungmaneh bisi arep-arepeun.Tuduhkeun jalan ka imah ... Akiteu nyaho jalan jeung lebah-lebahna.”

Anak cangehgar unggeuk.Turun tina aisan Ki Ajag.Leumpang euweuh kasieun deuisabab dituturkeun tukangeun ku KiAjag. Balik ka imah indung-bapanajero rungkun eurih.

"Ma, Ma ... Ujang balik, bukapanto!” cek anak cangehgar baringetrokan pantona.

“Jeung saha balik ...?” Indung -na nembal ti jero rungkun. Tacanwani mangmukakeun pantokasieu nan bisi aya nu ngadodohosato leuweung musuhna.

"Sareng Aki A ...” cek anakcangeh gar teu kebat nyaritanakaburu dibekem Ki Ajag.

“Tong dibuka, Ma! Bahaya ... di-anteurkeun ku Ajag!" cek salakinapinuh kareuwas. Buru buru kaburmake panto rasiah.

Buru-buru indung Bapa cangeh -gar katut anak-anakna kalaburmake panto rasiah nyalametkeunmaneh sieun dihakan ajag.

Ki Ajag beuki napsu sanggeusngadobrak panto imah cangehgar,nyampak geus euweuh sasaha deui.Kaburu kalabur manten. Meupeuskeuyang ka anak cangehgar. di-hakan henteu disesakeun bulu-bulu na acan. Goreng nasib anakcangehgar teh, bongan mawa karepsorang.*** (Heni Wijayanti)

Akal Ki Ajag

"Ma, Ma ... Ujang balik,buka panto!” cek anakcangehgar bari ngetrokanpantona.

“Jeung saha balik ...?”Indungna nembal ti jerorungkun. Tacan wanimangmukakeun pantokasieunan bisi aya nungadodoho sato leuweungmusuhna.

Page 44: Mangle 2456

Misnem nyebut kaka kaRusdi, ari Rusdi nyebut adika Misnem. Tapi henteu

angger éta téh. Utamana mah Mis-nem. Kadang-kadang nyebut aaatawa akang ka Rusdi téh. Tapi ari kaRamlan mah, boh Rusdi boh Misnem,nyarebut akang baé. KItu deui Ram-lan, ngabasakeun akang ka adi-adina.Kaka, akang, kakang, jeung adi téhmangrupa kecap sesebutan anu ayapatalina jeung pancakaki, bagéan tinakecap sulur. Euweuh anu nyebut ayiwancahan tina rai, atawa rai anulemesna tina adi. Kitu deui Pa Rusdijeung Murdiam, ngabasakeunananatéh adi jeung akang atawa kakangbaé.

Dina dongéng-dongéng SiKabayan ogé anu beunangngumpulkeun Maria Cooster-Wijs-man, Si Kabayan sakapeung sok nye-but adi ka pamajikanana, aripamajikanana sok nyebut kaka ka SiKabayan.

Rusdi jeung Misnem nyarebutbapa ka bapana, jeung ema kaindung na. Ka emangna nyebutemang atawa mamang; ka bibina nye-but bibi atawa embi; ka akina nyebutaki, jeung ka ninina nyebut nini. Aribapana Rusdi ku batur sok disebut PaRusdi, indungna sok disebut MaRusdi atawa Ambu Rusdi.

Kumaha ari sesebutan ka indung-bapa dina buku séjén anu sajaman?Urang paluruh.

Jang Éman anu boga lalakon dinaGanda Sari (terbit munggaran taun1930-an), nyebut ama ka bapana,Lurah Désa Tanjung. Ama téh wan -cahan tina rama. Ari ka indungnanyebut embu, lain ambu; tapi embuanu asalna tina ibu. Ari ka pangasuh -na, mun ayeuna mah meureun pem-

bantuna, nyaéta Ambu Sutiah soknyebut ema. Jang Éman boga adi,nyaéta Jang Engkos, boga deuilanceuk awéwé nyaéta Momoh. JangÉman sok nyebut ngaran baé ka Eng -kos mah, ari ka lanceukna sok nyebuteuceu atawa ceuceu; lain tétéh atawaétéh. Ari Jang Engkos ka Jang Émansok nyebut akang.

Sesebutan ibu jeung ama atawamama ka indung-bapa, mindeng ka-panggih dina buku anu nyaritakeunkahirupan kalangan ménak, upama -na baé dina Pangéran Kornél jeungMantri Jero karangan R. Méméd Sas-trahadiprawira. Kitu deui dina Num-buk di Sué karangan Moh. Ambri,Momo anak Juragan Pangsiun diWana raja (Garut), nyebut ibu jeungmama ka indung-bapana. Tapi aridina Burak Siluman mah, masihkénéh karangan Moh. Ambri, Nyi As-manah nyebut ema jeung abah ka in-dung-bapana, patani beunghar urangPangaléngan (Bandung). Ari NyiImas dina Tjarios Agan Permaskarangan Joehana, nyebut ema jeung

bapa ka indung-bapana nyaéta AmbuImba jeung Bapa Imba urang Kiara-condong (Bandung). Ari Ambu Imbasok disarebut ambu baé, boh kusalakina, boh ku nu séjén, kaasup kuHaji Serbanna.

Tétéla henteu loba anu nyebutabah ka bapana téh, henteu carabapa, ama, atawa mama. Naha abahtéh ngan dipaké ku urang pasisiansaperti Pa Asmanah? Henteu. Bukti -na baé dina Baroeang ka noe Ngarora(1914) karangan D.K. Ardiwinata, NyiRapiah anak Tuan Haji Abdul Raup,sudagar beunghar urang KampungPasar (Bandung), nyebut abah kabapa na, ari ka indungna nyebut ibu.Béda jeung Ujang Kusén, anak TuanHaji Samsudin, ka indung-bapana téhnyebut ibu jeung ama.

Aya anu rada nenggang soalsesebutan ka bapa téh. Néng Éha dinaLain Éta, karangan Moh. Ambri, kabapana téh nyebut ayah; ari kaindung na nyebut ibu. Bapana NéngÉha téh Juragan Kalipah urang Ci -anjur, anu masih kénéh ngukuhan

Budi Rahayu Tamsyah

Ngalanglang Alam Rusdi jeung Misnem (8)

42 Manglé 2456

Page 45: Mangle 2456

rundayan kaménakanana. Naon sababna Néng Éha nyebut

ayah jeung ibu ka kolotna? Aya anuboga anggapan, Juragan Kalipahmamalayu an; nurutan urangMalayu. Bisa jadi henteu deuih.Malah nyunda pisan. Dina naskahkuno Carita Waruga Guru, upama -na, kapanggih kecap ayah anuhartina “bapa”; kitu deui dina Se-waka Darma, aya kecap ayah jeung

ambu, anu ngandung harti “bapa”jeung” indung”. Ngan ari dina SiksaKanda ng Karesian mah, anu aya téhbapa jeung ambu.

Tong jauh-jauh, di Kanékés(Baduy) nepi ka kiwari masih kénéhhirup sebutan ayah jeung ambu téh.Ka bapana nyebut ayah, ka indungnanyebut ambu. Sok katelah ku anakcikalna deuih. Saman boga anakSamin, saterusna mah Saman téhkatelah baé Ayah Samin; ari indung -na Ambu Samin. Tah, ieu bédanaurang Kanékés jeung urang Kiara -condong téh. Bapa Imba jeungAmbu Imba dina Tjarios Agan Per-mas, urang Kiaracondong, bogaanak Imas jeung Ena, henteu tuluydisebut Bapa Imas jeung Ambu Imasatawa Bapa Ena jeung Ambu Ena.Malah Ambu Imba anu katelah kungaran salakina. Béda deui jeung KiJaka urang Pangalé ngan dina BurakSiluman, boga anak Nyi Asmanah,leungit ngaran Jaka katelah baé PaAsmanah. Lain Abah Asmanah,sanajan Nyi Asmanah ka bapana

nyebut abah. Ari kecap ibu, sok dipaké di kala -

ngan ménak atawa jelema anu di -anggap inohong di masarakat.Papasangan ana anu umum: amaatawa mama, anu asalna tina “rama”.Guru Minda ogé dina carita pantunLutung Kasarung, apan ka SunanAmbu téh nyebutna ibu.

Upama nilik kana katerangan diluhur, sesebutan ka indung-bapa anu

dipaké ku urang Sunda baheula, pa-pasanganana téh kieu:

ama/mama – ibubapa/apa – emaabah – ema abah – ibuayah – ibuayah – ambu

Kiwari mah beuki nambahan baésesebutan urang Sunda ka indung-bapana téh, di antarana:

papih/apih – mamih/emihpapah – mamahabi – umiabah – ambu

Papih-mamih jeung papah-mamah, jelas éta mah meunang“nyundakeun” tina papi-mami jeungpapa-mama, mangrupa pangaruhtina kabiasaan deungeun. Ngandiucap keun ku urang Sunda sok di-tungtungan ku “h”; apan saya ogé jadisayah tur kaasup anu mindeng

kadéngé diucapkeun ku urang Sunda.Éta baé kecap “mamah” (keurawéwé), da meni geus aya nyundakadéngéna téh, béda jeung “mama”(keur awéwé) anu teu ditungtunganku “h”. Kakara ngadéngé ngarannaogé ka Mamah Dédéh, geus teg wépasti urang Sunda. Malah bisa jadikecap “sayah” leuwih produktiftibatan kecap “kuring”. Ari abi-umi,éta mah jelas pangaruh tina basaArab.

Ké, ari abah jeung ambu? Kiwari loba anu boga anggapan,

yén sesebutan abah jeung ambupapasa ngan anu merenah tur nyundapisan. Pokona mah lamun aya anunyebut abah ka bapana, bakal mere-nah lamun ka indungna nyebutambu, cenah. Henteu ari salah mah,da anu ngaranna basa téa gumantungkana kasaluyuan (konvensi)panyatur na. Lamun ceuk sakumnaurang Sunda, anu nyunda mah abahtéh nyetélna jeung ambu, nya manggatéh teuing. Ngan lamun disusud kanaasal-usulna, henteu nyambung.Kecap abah asalna tina basa Arab anuhartina “bapa”; ari papasangananadina basa Arab nyaéta umi, anuhartina “indung”. Anu mataknyetélna abah mah jeung umisakumaha kabiasaan urang Arab diPasar Rebo, Purwakarta. KecapAmbu mah nyetélna jeung ayahsaperti di Kanékés (Baduy) atawabapa, saperti dina buku jaman Rusdijeung Misnem.

Ngan nyaéta, kecap ayah ayeunageus jadi basa Indonésia, loba anu teuapaleun yén baheula mah éta téhkungsi jadi basa Sunda. Kecap ayahdina basa Sunda, kiwari geus kalindihku bapa, basa lemesna rama.Saenyana mah loba kekecapan anubaheulana basa Sunda, lamun kuurang diucapkeun ayeuna, dianggapbasa Indonésia. Conto séjénna kecapputih, kalindih ku “bodas”; biru,kalindih ku “bulao” anu asalna tinabasa Walanda “blauw”; sakit, kalindihku “nyeri” atawa “gering”, jeungsajaba na. Éta ngandung harti, yénbasa mah robah salilana miindung kawaktu mibapa ka jaman. Kaasup anuboga basana, nyaéta urang Sunda.(réngsé)

Manglé 2456 43

Page 46: Mangle 2456

Gunung Padang Diseminarkeun

Panalitian TTRM Make Dinamit

Tanggal 10 Desember 2013Paguyuban Pasundan ngagelarSeminar di Kantor Harian piki-

ran RakyatSeminr Hasil Penelitian Gunung

Padang, dibuka ku Prof.Didi Tur-mudzi Ketua umum Paguyuban Pa-sundan. Dieceskeun yen ieu seminartujuana keur mere informasi kamasaraat ngeunaan naon jeungkumaha sabenerna situs gunugPadang ieu.

Samemehna nyaeta taggal 6-7Desem ber 2013 Disparbud jabarngayakeun Gotrasawala West javaGlobal Cultural Gathering . Dina acaradigelar oge diskusi ngeunaan situs gu-nung Padang, nu medar pamanggih,Dr.Danny Hilman, anggotaTim Ter-padu Riset Mandiri (TTRM) pinginanAndi Arief Staff Husus presidenBidang Bantuan Sosial dan bencana.

Sajeroning kitu, 3 Desember 2013Paguyuban Pasundan datang kapenga dilan negri Cianjur jeung ratu-san urang anggota masarakat peduliGunug Padang kaasup Acil Bimbosadulur. Poe eta pangadilanngajagrag keun tilu warga masarakatpadumuk lembur sabudeureun situsgunung Padang.

Kajadian panahanan wargamasarakat, basa masarakat sabudeu -reun situs ngarasa kaganggu waktuanggota TTRM ngagunakeun dinamitdina panalitian lapangnna. Kurangleuwih 100 urang masarakat ngayakeundemo , tiluan di antarana neunggeulananggota Tim TTRM anu ngadinamit,balukarna anu tiluan tadi ditahan diPolsek ampir dua bulan lilana. UpayaPaguyuban Pasundan tetela hasil, rayatanu tiluan ahirna ditangguhkeun pana-hananana poe eta keneh.

Sajeronig kitu bukti yen TTRM nga-gunakeun dinamit aya dina leu ngeunpengacarana nyaeta Andi Syarif SH.

Kungsi Dijadikeun Kabuyu-tan

Jadi Situs Gunung Padang anu digu-nakeun keur tempat ritual (Punden anuumpak-umpak) dina jaman Prasajarah,waktu asup ka jaman klasik Hindu-Budha jaman Karajaan Tarumanagaraawal abad ka 3 tepi ka 7 jeung jamanKarajaan Sunda abad ka 8 tepi ka abadka 16.

Difungsikeun oge jadi Mandala/ -Kabuyutan. Menhir nu dipake jamanPrasajarah (jaman animismeu – di-namismeu) terus ditangtungkeun ajegtepi ka jiga lingga. Waktu Islam datangsitus-situs tempat ritual ieu bisa oge di-Islamkeun ku jalan nambah makam,lingga oge jadi batu tutunggul. Lian tikitu, nurutkeun hasil panalitian nu di-lakukeun ku Nina lubis jeung arkeologEtty Saringendiyanti jeung Filolog Un-dang Ahmad Darsa kanyahoan yenmasarakat Sunda condong pragmatis.Jadi urang Sunda mah henteu ngarasa

perelu ngawangun wawangunanmonumen tal keur ritual, cukupngaguna keun fenomena alam anu gesaya bae. Jadi waktu ngawangun pundenanu umpak-umpak lain keur Kapere-luan ritual di gunung Padang. Cukupnata batu-batu anu loba di lokasi nu-turkeun kontur eta gunung.

Nurutkeun pamanggih tim TTRMsitus teh diwangun sagemblengna kumanusa Sunda,lain ditumpangkeunsaluhureun gunung/ bukit , salilla 5traun nu dipigawe ku 5000 urangjelema unggal poena. Padahal nu-rutkeun Nina lubis, dina data statistikpangkolotna di Nusantara nyaeta anuditulis ku Thomas Stanford Raffles, Let-nan gupernur Inggris dina buku “His-tory of Java (1816), disebutkeun yentaun 1815 Kabupaten Cianjur diwangunku 552 desa, padumukna 35234 urang.Jadi, padumuk sadesana rata-rata nu-rutkeun Prof. Nina Herlina Lubis, ngan50-75 urang. Kudu logis we, da mustahil

Acara seminar Situs Gunung Padang di kantor redaksi Pikiran Rakyat

44 Manglé 2456

Page 47: Mangle 2456

sabaraha rewu taun ka tukang aya 2000urang manusa nu ngawangun piramidasa kitu rohakana. Jadi nurutkeun Ninakeneh, interpretasi teh kudu logis, inter -pretasina ulah sacara bebas demi nga-justifikasi yen eta situs bener-benerbuatan manusa sagemblengna. Nyutatpamanggih para geolog, arkeo log, NinaLubis nyindekeun yen situs GunungPadang teh wangunan prsajarah anu di-wangun luhureun gunung berapi anugeus pareum, dina wawangu nan pun-den umpak-umpak ku jalan nata batu-batu jeung gunung berapi anu geuspareum. Ieu punden difungsikeunsacara manjang. Kabuktian dinaNaskah bujangga Manik nu mangrupacatetan lalampahan putra Raja Paja-jaran abad ka 16, disebut keun yen pun-den umpak-umpak teh Kabuyutan.Tempat anu disebut kabuyutan teh bi-asana tempat anu disakralkeun, digu-nakeun ku para wiku. , sarupaningtempat pendidikan husus keur parabangsawan- raja. Kabuyutan oge bisadijdikeun scriptorium, tempat nga-hasilkeun naskah-nasah kuno.

Nurutkeun panalitian Nina lubispupuhu YMSI Jwa Barat, ahir-ahir ieuwaktu TTRM ngaguyurkeun ayana pi-ramid wangunan buatan manusa, ieusitus ngalaman mitologisasi nu nyebut -keun yen di situs ieu sering ngupig soraaneh, yen di situs ieu Prabu Siliwangisering leleson, mah cenah tepang jeungpara wali saperti Syeh Abdul Muhyi tiPamijahan, Sunan Gunung Jati ti Cire-bon, Eyang Suryakancana ti gunungGede. Hal sarupa kitu ngabodokeunmasarakat nu dimotipikasi kapentin-gan-kapentingan ekonomi.

Nina Lubis cumeluk supaya ngami-toskeun situs teh dieureunkeun ulahditeruskeun tepi ka kadalon-dalon,babakuna kudu dieureunkeun ku parabudayawan Cianjur jeung para jurukunci anu sapopoena miara jeung nga-jaga Situs.

Dina seminar hadir para tokohSunda kayaning pamikir pulitik, TjetjeHidayat Padmadinata, pangusahaNanang Ma’soem, ahli hukum DindinMaolani, Pangusaha Herman, KetuaPaguyuban Pasundan Cinanjur AbahRuskawan saparakanca, pupuhu Sund-wani Wirabuana Roby Maulana zulkar-nen jeung rea-re deui.

Nurutkeun Dindin Maolani, ayapalanggaran hukum anu dilakukeun ku

TTRM saperti nggunakeun kop suratSekrtariat Kabinet Staf Khusus Presi-den. Terus palaksanaan panalitianahenteu make aturan, TTRM ngagu-nakeun dinamit. Ditanyakeun oge ku-naon Staf husus bidang bantuan sosialkudu ngurus situs arkeologis?

Nanang Masoem mairan yen di-gede-gedekeunana mitos ngeunaan gu-nung Padang ngabahayakeun akidahmasarakat. Nanang Masoem jangji arekngawangun masjid di lokasi situs gu-

nung Padang.Paguyuban Pasundan oge arek

ngawangun Tim pikeun nepikeunrekomendasi ka Presiden sangkanpanalitian anu dilakukeun ku TTRMdieureunkeun heula (moratorium)Pangpangna mah kusabab ayeunamasarakat sabudeureun gunungPadang jeung masarakat Sunda ‘keurpanas” kitu nurutkeun tilu padumuksabudeureun gunung Padang, Ninanepikun ka MANGLE. ( HRS)

Manglé 2456 45

Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi M.Si., (katuhu) ketua Umum PB Paguyuban Pasundanmuka acara seminar Situs Gunung Padang di kantor redaksi Pikiran Rakyat

Kronologi PenelitianGunung Padang

• Laporan mimiti ngeunaan ayana situs ieu dimuat dina “Rapporten van deOudheidkundige Dienst(ROD) buletin Dinas Kepurbakalaan taun 1914.Sejarwan Walanda N.J.Kromoge gus nyabit-nyabit taun 1949.• Taun 1979 tilu padumuk Karya Mukti Endi, Soma jeung Abidin ngalapor keunka Edi P_enilik Kebudayaan Kacamatan Campaka ngeunaan ayana tumpukanbatu-batu psafi baradag rupa-rupa ukuran nu nysn di hiji tempat umpak-umpak anu nynghareup ka gunung gede. Saterusna babaregan jeung Keplaseksi kebusayaan Departemen Pendidikan Kebudayaan Kabupaten CianjurR.Adng Suwanda ngecek ka tempatna. Saterusna laporan dikirimkeun kaPuslitar kenas anu saterusna ngagarap ieu kasus ti tun 1979. Hasil kajiansaheula anan• Nyindekeun yen situs gunung padang teh mangrupa situs prasajarah titing -gal kabudayaan megalitum di Jawa Barat nu pernahna di tapel wates dusunGunung Padang Panggulan Desa Karyamukti Kacamatan Campaka KabuptenCianjur. Lega komplek wangunan kurang leuwih 900 meter pasagi, leganakira-kira 3 hektar.

(hrs- Hanca)

Page 48: Mangle 2456

46 Manglé 2456

Page 49: Mangle 2456

47Manglé 2456

Page 50: Mangle 2456

48 Manglé 2456

Titilaras téh notasi, not atawa seratkanayagan, tulisan lagu nu ayadina karawitan Sunda Priangan.

Radén Machyar Angga Kusumahdinataalmarhum, dina bukuna RingkesanPangawi kan Rinenggaswara” (citakankadua), terbitan Noorrdhoff –Kolf NV(Jakarta), nétélakeun yén titilaraskarawitan Sunda téh aya dua bentuk.Kahji titilaras buhun nu ditulis ngaguna -keun lambang hurup, T (tugu) L(loloran), P (panelu), G (Galimer) jeungS (Singgul). Kadua, titilaras angka nu di-tulis ngagunakeun angka. 1(da), 2(mi),3(na), 4 (ti) 5(la). Ieu titilaras téh nadalulugu (murdaswara), disebutna titila-ran daminatila.

Dina karawitan Sunda ayasababaraha laras, Pélog (Degung),Madenda (Sorog) jeung Saléndro. Etatéh kabéh gé ngagunakeun titilaras anusarua. Tepi ka kiwari kaayaan téh anggerwé kitu. Anéh, titilaras sarua, tapikadéngéna béda.

Aya deui nu disebut notasi cacing,nya éta notasi anu basajan pisan ukurgurat rérégéan ka luhur atawa ka han-dap. Ieu notasi umumna digunakeun kuseniman anu teu kungsi ngalamansakola seni formal. Eta gé henteu salah,ngan notasi nu kitu mah kahartina kusorangan, da nu séjén mah tacankaruhan ngartieun.

Keur Atang Warsita, Seniman, bu-dayawan Karawitan Sunda nu geus nga-hasilkeun puluhan karya, kaayaan kieutéh henteu bisa diantep. Di kalanganseniman sora anu awam, tangtu waé teujadi masalah, tapi pikeun paélmuan mah

kudu dilelempeng. Geus sababaraha kaliAtang tumanya, naha bet kieu. Lambangsarua tapi kadéngéna béda.

“Paralun sanés kumawantunngarobah karya agung Pak Machyar,anu jenengan ana tos satingkat interna-sional. Sok komo ngaraos langkung pin-ter ti nu sanés. Ieu mah jol tina sanubaripribadi nu micinta seni karawitanSunda. Bawiraos upami diantep bilihngabohongan ka generasi salajengna,”pokna ka Manglé.

Atang ngasongkeun pilihan, tapi bisipamanggihna henteu sapagodos,masrah keun ka saha waé, bisi réknyieun nu anyar. Masalah titilaraskungsi diseminar keun, malahsababaraha kali. Di Sekolah Tinggi SeniIndonesia (STSI), Bandung, UniversitasPadjadjaran (Unpad), jeung Dinas Bu-daya dan Pariwisata (Disbud par) JawaBarat. Sabada dijelaskeun, saréréa

ngaku yén dina titilaras téh aya “kejang-galan”. Ngan can aya kedal lisan “hayuatuh urang robah” mah. Nepi ka ayeu -na, cukup ku nu geus waé, da teu ayamasalah, jeung babari.

“Sanés sual gampil sareng henteu.Tiasa janten keur nu tiasa mah, gampil.Ari kanggo nu nembé diajar mah, hésé,“ cék Atang.

Atang Warsita boga pamanggihanyar, anu dingaranan Karawitan SundaPriangan, (da ari Cirebon mah boga titi-laras sorangan) téh. Malah pamanggihAtang téh geus diajarkeun di STSI.

Pangajaran panghéséna.Mangsa Atang sakola, titilaras téh

mémang dianggap pangajaran anu hésé.Harita Atang asup ka sakola Kokar(konser vatori Karawitan). Ti keur sakolakénéh geus aya pertanyaan dina jerohaténa. Naha bet kieu?

Titi Laras

Sunda

Priangan

Page 51: Mangle 2456

Manglé 2456 49

Titilaras buhun, mangrupa titilaraswiwitan (purwaswara). Ditulisnangaguna keun lambang huruf, diguna -keun pikeun nulis notasi tabeuh, utama -na keur kenongan jeung gamelan, dinaprakték nabeuh.

Nurutkeun Atang Warsita, saenyanatitilaras buhun téh aya 15 nada, lain limanada. Sanggeus tugu, aya singgulmalang jeung tugu miring. SabadaSinggul, aya galimer malang jeungsinggul miring. Tina galimer (bem),nema kana panelu malang jeung galimermiring. Tas panelu, aya loloran malangjeung panelu miring. Tina loloran(kenong), nema kana tugu malang jeungloloran miring. Tapi anu geus ngabakudina gamelan mah, ngan aya lima nada,nya eta S-G-P-L-T.

Ari titilaras angka, notasina ditulisngagunakeun angka, daminatila, digu-nakeun pikeun nulis notasi lagu. Ieu ogésaenyana lain lima nada, tapi aya 15nada, ngan anu digunakeun lima nada,pikeun unggal-laras. Dina karawitanSunda Priangan, Atang geus manggihan15 nada.

Karawitan Sunda miboga tilu laras,Salendro, Pelog jeung Sorog (Madenda).Raden Machyar dina unggal laras, nufrekuensi jeung nada béda-béda téh,angger ngagunakeun lambang dami-natila. Ieu nu hayang ditepikeun kuAtang téh, aya skala nu anyar, disaluyu -keun jeung larasna. Pikeun Laras Salen-dro, boh ngaran boh titilaras anggerngagunakeun da mi na ti la. PikeunLaras Degung (pelog), ngagunakeun, da(1), 5- (lu), 4 (ti), 3 (na), 2- (mu), 1(da).Keur titilaras Madenda, ngagunakeun1+ (deu), 5 (la), 4 (ti), 3+ (neu), 2 (mi),1+ (deu). Jadi titilaras Salendro Padan-tara teh kieu, 1 (da), 5+(leu),1- (du), 5(la), 4(+(teu) ,5 – (lu), 4 (ti), 3+ (neu),4- (tu), 3 (na) 2+ (meu), 3-(nu_, 2 (mi),1+(deu), 2- (mu_, 1 (da). Harepan teuweléh nganteng, dina diri Atang War-sita, sangkan ieu titilaras bakaldibakukeun.

Kumaha ari Laras pelog? Dina téori Raden Machyar, Karawi-

tan Sunda Priangan miboga opat Laras,nu biasa digunakeun sapopoé, Saléndro,Degung. Madenda jeung Pélog.

“Tapi sabada ditengetan dina prak-ték berkesenian, ngan aya tilu Laras nuleres-leres dikawasa mah. Da ari LarasPélog mah dugi ka ayeuna gé teu acanaya nu enyaan tiasa ngawasa,” cék

Atang.Atang ngasongkeun alesan nepi ka

bisa nyindekkeun kayakinana, di antara -na, bisa jadi dédengéan urang nu teubisa ngabédakeun antara Laras Pélogjeung Laras Degung, bakat ku ampirsarua. Lamun ayeuna nu sok di-haleuangkeun ku para seniman téhcenah Laras Pélog, bisa jadi éta téhsaenyana Laras Degung. Méh kabéhseniman Sunda tacan mampuh nyetémgamelan kana Laras Pélog kalawanbener. Kitu deui para pakar kacapi.Saenyana saréréa gé kakara mampuhnyetém waditra téh ngan kana Laras De-gung.

“Upami urang angger badéngahirupkeun Laras Pélog, ku margiraoseun, da ampir sami ieuh, titilarasnagé samikeun wé nganggo titilaras De-gung,” cék Atang.

Seniman Masagi Pikeun anu resep kana kasenian

Sunda mah kawasna ngaran Atang War-sita geus moal bireuk. Ieu seniman nulahir di Bandung (15 Juli 1947) téh, kaa-sup jalma masagi, alias sagala bisa. Tibubudak Atang geus diwanohkeun kanadunya seni. Keur can sakola gé, Atanggeus mimilu ka ramana, lalajo sandi-wara Sunda, wayang golék, klininganatawa celempungan. Munasabah lamundina dirina geus aya kacinta kanakaseni an Sunda, ti leuleutik kénéh.

Tapi papadaning kitu, asupna kaKokar (Konservatori Karawitan) lain ka-hayangna. Harita cenah kaayaan keursagala werit. Ibuna ngajurungkeunlamun Atang hayang neruskeun sakola.Tapi ulah ka sakola nu mahal. Ulah anuaya uang pangkal. Mun bisa mah anumurah, sukur- sukur gratis. Tangtu wéAtang téh bingungeun.

“Aya réréncangan nu nawisan.Cenah aya sakola, teu mayar, teu makéuang pangkal malah sakitu bulan sakalidiburuhan duit. Atuh nya kitu pisan nudipilari téh. Abdi langsung wé daptar kaKokar, “ pokna ngawawaas mangsalawasna.

Di Kokar Atang nimba élmu anumawa dirina ngabelesat kana jomantarakasenian. Taun 1964, Atang ngadegkeunLingkung Seni Budaya Sunda SalakaDomas, kalawan materi utamanakaseni an calung. Ti taun 1969 tepi ka ki-wari Atang remen pisan miluan kanapagelaran kasenian, boh di kota Ban-dung, boh di kota séjén nu aya di Indo -

nesia. Malah nepi ka luarnegri sagala(Malaysia, Taiwan, Pilipina, India, SaudiArabia, Korea Selatan jrrd). Taun étakénéh Atang asup jadi anggota YayasanCangkurileung jeung Ganda Mekarpimpinan Mang Koko (almarhum).Saterusna Atang jadi anggota Jugalapingpinan Gugum Gumbira, GentraMadya, pingpinan Nano.S, Patria pi -nginan RAF, Grup Anggota Seni ReogJawa Barat (Paser), jeung rea- rea deui.

Pikeun pencipta lagu mah, méh teukaitung karyana téh, aya ratusna. Kitudeui dina nata gending karyana geus eu-yeub pisan. Di antarana waé, dinalalaguan Jugala Group, rekamanJaipongan Tati Saleh, Cicih Cangkuri -leung, jeung Asep Sapaat. Kitu deui dinasababaraha pagelaran drama suarasaperti, Nini Anteh jeung Astronout,Lingsir Lumingsir, Geber- geber HihidAing, Pangeran Kornel, Kopeah belel,Pilkades Kutasari, sinteron Colenak, jrrd

Kabisana lain éta wungkul. AtangWarsita ogé ngadegkeun grup gaya lagujeung humor (glamor). Atuh dina humorSunda Atang milu marajian Sasagon.Malah keur kapentingan Glamor, Atangnyiptakeun desain kacapi elektrik.Salian ti éta, karyana nu séjén nyieundesain kacapi nangtung (siga Harpa), nuwangunna kawas kujang. Atang ogékungsi nyieun suling anu bisa dipakésababaraha laras jeung surupan. Estusagala bisa, sagala dicabak.

Henteu cukup ku nyipta lagu, miki-ran dunya seni téh, Atang ogé nerbit -keun sababaraha buku, di antaranaSekar Laras , buku kawih barudak, bukuTeori Karawitan Sunda Priangan jeungbuku Diajar Nabeuh Gamelan. Salian tinyipta ratusan lalaguan Sunda, Atangogé kungsi nyipta lagu, ngagunakeun bi-rama 5/8 (dina karawitan Sunda mahcan kungsi aya).

Rupa-rupa penghargaan Pikeun jasa-jasa jeung dedikasina

kana seni budaya Sunda, Atang geusmeunang penghargaan leuwih ti salawérupa. Di antarana waee ti Taman MiniIndonesia Indah, minangka penciptalagu unggulan parade Lagu Pop DaerahGita Permata Nusantara. Taun 2012Atang meunang Anugrah Budaya KotaBandung, ti pemda Kota Bandung. Tepika ayeuna Atang masih kénéh ngajarprakték gamelan awi, di Saung UdjoBandung. Estu ka bala ka balé. (AamAmilia ).***

Page 52: Mangle 2456

Beuki nanjung baé tah, tagoni “AsshoutuDzahab” (Sora Emas) ti pasantrén Hub-bul Waton, Legok Kiara. Bulan

Muharam kamari, nyangking juara umumdina pasanggiri tagoni sakabupatén. Meunangtropi badag ti bupati, jeung duit pembinaan Rp5 juta. Sanggeus babagi honor keur pamenjeung opisel, aya kénéh sésa dua juta deui.Mahi keur meuli parabot tagoni anyar.Ngalengkepan nu can aya jeung ngoméan nugeus raruksak. Atuh make aya leuwihna keursodaqoh ka santri-santri nu geus béakeunbekel.

Lain sakali éta wae,grup tagoni “AsshoutuDzahab” , pinujul dina pasanggiri. Aya kanagenep tujuh kalina . Malah bisa disebutkeungeus jadi tradisi ti béh ditu mula. Sabab tibarang pasantrén ngadeg lima puluh taun katukang, kasenian tagoni katut kasenian-kase -nian lianna, kaasup penca silat jeung kendangpenca, dipiara. Dihirupkeun. Dijieun ciripasan trén nu “Nyunda” jeung ngahargaankana seni-budaya asli, lokal. Sakumahakasauran Pangersa Ajengan Sepuh almarhumnu naratas éta pasantrén “Innaloha jamilun,yuhibbul jamal”. Saéstuna Alloh téh endah,mikacinta kana kaéndahan. Ari kaéndahan,lahirna tina seni budaya.

Nu matak grup tagoni “Asshoutu Dzahab”terus hirup. Mekar ti generasi ka generasisantri. Réa santri nu baréto milu maén tagonidi dinya, ayeuna geus jaradi ajengan jumhur.Ngadegkeun pasantrén di mana-mana jeungngahirupkeun seni tagoni katut seni-senilianna. Seni penca silat gé terus mekar. Ngannu diutamakeun “silat eusi”. Ngawasa jurus-jurus pikeun béla diri dina kaayaan kadesek.Ari “silat kembang” mah, teu pati di-gegedékeun. Tamba euweuh wé. Sakalieunulah kawiwirangan teuing lamun santri diogannaék kana panggung. Kud kaul dina acarahahaja tan. Ngigelan tepak dua atawa tepaktilu, saengklak baé mah. Tanda hormat ka nuboga hajat.

Pangersa Ajengan Anom nu mingpinpasan trén “Hubbul Wathon” ayeuna ogé, salahsaurang pamaén tagoni andelan. Biduananamalah. Bubuhan alus sora. Jago quro. Macaayat-ayat Quran dina “Qiro’atus Sab’ah”.Nyaeta lagam maca dina tujuh rupa gaya.

Pangpangna mazhab Qumbul jeung Hafs. Mungeus quro dina gaya éta, nu ngadaréngékeunjempling taya nu nyora. Nu matak panteslamun Ajengan Anom kungsi sababaraha kalijadi juara nasional Musabaqoh TilawatilQur’an (MTQ).

Eureun sotéh kana lalaguan, saprakkaamana tan nyangking kalungguhan sesepuhpasantren. Ngaganti ramana. Tapi ari nga -rojong barudak santri kana maén tagoni mah,teu pegat. Malah ngahaja sok pesen kasétatawa CD lalaguan Arab panganyarna ka salahsaurang santri “Hubbul Wathon” nu kuliah diKairo. Atuh lumayan pisan, koléksi lalaguantagoni”Asshoutu Dzahab” kawilang réa. Teuéta deui éta deui.

“Peupeuriheun jaman ana, lagu tagoni téhukur genep atawa tujuh. Kitu gé nurutanlalaguan nu geus aya di urang. Saperti“Hamawi ya Mismis” jeung “Ana bahwaq LatinSani” nu dihaleuangeun ku Rofiqoh DartoWahab. Nu ti Arabna asli, lagu-lagu UmmiKulsum. Sakikituna. Tapi teu burung padamikaresep,”saur Pangersa Ajengan Anom nubiasa ngabasakeun “ana” ka barudak santri.Kitu na téh bari rada ngagelenyu. Ras kamangsa keur ngora. Maén tagoni, nga-haleuangkeun lagu-lagu “Undzur ila BadrisSama” (Teuteup Bulan di Langit), jeung “Haya -ti Ganat Suwayya” (Hirup Kuring Sakedapan),bet aya mojang kagégéloan. Nepi ka nutur-nutur ka pasantrén. Untung aya Kang Hudan,santri kolot, daékeun sina nyanghareupan. Turdiparengkeun ngajodo. Awet nepi ka ayeuna.Pangersa Ajengan Anom harita geus di -papacangankeun ka Néng Imas Marfu’ah,putra bungsu Ajengan Cikonéng. Geus teu kaciboga kabogoh deui.

Lantaran sok dikiriman kasét jeung CDlagu-lagu anyar, atuh grup tagoni “AsshoutuDzahab” mah pada mikaresep. Lantaran “ak-tual” jeung “ngepop”. Béda jeung grup tagonisejen nu angger wé ngahaleuangkeun “IdamarUlaya” atawa “Magadir”. Ẻta deui-eta deui.Grup tagoni “Asshoutu Dzahab” mah, arimanggung di hiji tempat,tara malikan lagu-lagu nu geus dihaleuangkeun di dinya, upamamanggung di tempat séjénna. Komo lamunpadeukeut mah. Kajaba lamun aya nu ménta.Kawas kana lagu “Inta Seih” Haifa Wahbi, bi -

duan Libanon, atawa “Layali” MaryamahMusa, biduan Suriah.

Pamaén andelan tagoni “Asshoutu Dza-hab” nyaéta biduan Céng Agus jeug Mas Ifah.Kudu wé nu dua éta mah tampil unggal mang-gung. Sabab jadi jaminan narik perhatian nulalajo. Sajaba ti sorana gahar halimpu, CéngAgus tapis “jaffin”. Jogéd Arab marengan lagunu dihaleuangkeun. Mas Ifah gé halimpudeuih. Komo dina ngunikeun “iftitah”(bubuka) lagu, nu teu dipirig tatabeuhan,sakumaha kabiasaan kasidah Arab tradisio -nal.Unggal lebah “ya lail” atawa “ya habibi” teuweléh dipapag ku suit jeung keprok nu lalajo.Sanajan tara jaffin kawas Céng Agus, gerakawak Mas Ifah matak deungdeuleueun baru-dak ngora. Bubuhan jangkung lampanyat,panon ceuyeut, huntu beres. “Sensual”, ngin-jeum istilah Oim Gorim, wartawan lokal nuleuwih réa kartu persna ti batan tulisanana.Kartu wartawananana ogé ngajeblag sagedéhihid ngongkoyang nutupan dada.

Hiji waktu, grup tagoni “Asshoutu Dza-hab” diondang ngareuah-reuah hajat kawinankulawarga Haji Basar. Dua biduan andelan,Céng Agus jeung Néng Ifah, piligenti nyanyi.Teu weléh pada ngeprokan.

Komo basa Céng Agus make gaya “jaf-fin”, nurutan Jamil Farouk, biduan Mesir ka-mashur, nembangkeun lagu “Bulbul, yangBulbul” nu kungsi disohorkeun ku NancyAzram, biduan Libanon, taun 2000-an.

“Ta’liman bil minal yang bulbul, ta’limanbil minal ya bulbul…

“Usuruni, usuruni hasabana….”Lebah dinya, ujug-ujug lat baé Céng

Agus poho kana bait satuluyna. Tatabeuhanterus muni. Sora markis geus kekecrék pan-jang. Ngaisarahan sangkan lagu ngamimitiandeui.

Tinimbang kawiwirangan, ngabigeu teunyora, bari “jaffin”, Céng Agus gancang impro-visasi. Ngahaleuangkeun bait dadakan :

“Aduh ieung, bisul na bujur, aduh ieungbisul na bujur….

“Disuat mah disuat beunang matana….”Ger nu lalajo keprok. Tingsaruit.

Sawaréh tinggorowok “thoyyib, thoyyib” (alus,alus). Teuing kataji ku gaya jaffin, teuing ku“bisul ‘na bujur”.***

50 Manglé 2456

Bisul ‘Na BujurKu H.Usép Romli HM

Page 53: Mangle 2456

Urug Badag

Kajadianana mah kaalaman kutatangga babaturan sababaraha taunkatukang,kabeneran harita teh keurusum hujan. Kira-kira wanci lohorhujan teh teu eureun-eureun,nyakerep nya badag. Atuh mantak barin-jan pikeun nu boga balong sisi walu -ngan mah,pon kitu deui urang sebutbae ngarana teh mang Odo, nu bogabalongna lain ukur hiji bari geuskabade lamun hujan siga kitu tehbiasa na cai walungan teh sok mancalkabalong.Atuh mang Odo teh kacidabarinjanna kana pakaya nu unggalisuk sok diroris bari dianterunanparab dangdaunan . “Emana,uingmah teu jongjon rek kabalong bisicaah ngarempagken darmaga ”cekMang Odo kapamajikanna, bi Eti.Tuluy mang Odo kaluar ti imah baririkat nyokot tokok jeungpacul,saterusna mah tuluy mudunmuru balong anu aya landeuheunimahna ngan rada anggang.Geussajam leuwih kakara hujan radaraat.Tapi Mang Odo sakitu geus radalila can mulang keneh kaimah atuh,Bi Eti teh barinjaneun .

“Na... can datang keneh kang Odoteh” gerentesna.Ngarasa hariwang BiEti tuluy nyusul salakina. Ari nepi ka-sisi balong, gebeg teh Bi Eti ngagebeg,teu kitu kumaha,ningal urugsakitu badagna ninggang galenganjajala neun nu sok diliwatan ku MangOdo jeung Bi eti ari kabalong.Atuh BiEti gogorowokan nyalukan mangOdo, tapi teu aya nembalan. AhirnyaBi Eti ngoceak tulung-tulungan bariiling cingcat, samar polah. Kabeneranaya mang Emed anu teu pati anggangtidinya nyampeurkeun.

“Aya naon Et ?” Mang Emednanya. “Kang...kang ...Kang Odona...na..urug ”ceuk bi Eti teu bari nun-juk kana urug,gebeg Mang Emedngagebeg,teu tatanya deui MangEmed lumpat katonggoh bari hari-weusweus ngabejaan tatangga yenmang odo katinggang urug. Atuhbubuhan di kampung beja pabeja

harita keneh lalaki rabul bari marawapacul teu di komando harita tuluyngoerkeun tapak urug .”kadekngadekna sing tarapti bisa meneran SiOdo.” Ceuk Aki Suminta bari ngatur.Ari Bi Eti masih lolongseran sisi ba-long geus hese ditanya disamperkeunku ibu-ibu.Atuh sarerea ge ngarasageumpeur.

“ Araya naon ieu teh,mani ramekieu ? ” cek hiji sora nanya ti belah gi-rang, atuh jalma anu keur jongjonnyanghareupan urug,ngaralieuk.”Tah kapan Si Odo..”ceuk Aki Mintabari hahehoh da wekelngaguaran,bari tuluyna mah radanyere ngeh. Atuh sarerea nu tadina tasmanggih karewas teh, tungtungnakalah jadi akey-akeyan saleuserian,kitu deui bi Eti nu tadina diparayangbari ceurik teh, cenghar deui malahjadi kabawa keom.”Atuh Odo arimaneh tas timana ngababarinjanansarerea ? majar ceuk si Eti, maneh tehkatinggang urug ” ceuk aki Suminta.”Har..kitunya ? Kuring mah tasngaroris balong nu girang,kapancalancai tiwalungan jadi kuring ti hothatnyajangkungan galengan bari nung-guan cai walungan nyirorot ”MangOdo ngajawab satarabasna.Tung-tungna sarerea haranjat bari teuingcalengir nya cape, nya hayang seuri.

Wawan DarmawanSMPN 4 Rancah

Desa Cisontrol - Kec. Rancah,Kab. Ciamis

Nyeri Panon

Harita teh nganteur salaki nunyeri panon. Ku lantaran 2 minggucan cageur-cageur, dipariksa teh nga-haja ka dokter spesialis mata, ngarahmatih jeung puguh kunaon-ku-naonna.

Bener wae ari dokter spesialismah, dipariksana oge beda jeung dok-ter umum biasa. Estu kacida gemetnatur tarapti. Nu kahiji salaki teh di-tanya kunaon-kunaonna, terus di-pariksa panon, ruangan dipoekan

jeung panon salaki teh disenter di-ilikan ku dokter, malah nepi ka di-belel-belelna.

Sanggeus dibelel-belel, tuluypanon salaki teh dicakclakan obat.Lantaran salaki teh rada jerengesan,kuat ka jejeritan ditetesan teh. Beresdicakclakan obat, panon salaki tehkudu dicuci cenah. Salaki teh ka -tingali pias, sigana mah reuwasngadene panon kudu dicuci mah. Damoal salah nu aya dina pikiranana tehdicuci diberesihan siga ngumahwadah atawa nyeuseuh, padahal mahtangtu lain.

Geus dicuci mah teu burung radajagjag salaki teh. Geus dibere resepmah tuluy dokter teh omat-omatan kakuring kudu dijaga cenah salaki tehtong iinditan heula salila tilu poe mah,istirahat wae di imah. Tong kaangin-angin matana. Kitu oge dokter tehngawawadian kade cenah bisi tepa.

Ari kuring sorangan rada kabita dicuci mata teh, panon salaki nu tadinabeureum oge langsung bodas herang.Ngan siga nu katuliskeun jurig. Tilupoe ti harita kuring katepaan nyeripanon.

Lantaran salaki ningali diubarnamatih, kuring oge langsung diubar kadokter spesialis mata, sok sanajanmayarna rada beda jeung dokterumum, leuwih mahal.

Beres dipariksa panon, kalawanteu dititah ku dokter, kuring langsungmuru tempat sare pikeun di cucimata. Pas kuring ngedeng nangkarak.

“Ke... Ke... eta bade naon?” cenahceuk dokter teh.

“Sanes bade di cuci?” ceuk kuringsemu heran jeung rada era.

“Sok nyanyahoanan. Kadieu waecalik, teu kedah dicuci da mung iritasiringan.” Ceuk dokter teh bari tuluyngagutrut nulis obat nu kudu dibeuli.

Digigireun kaciri salaki mangkekpiseurieun.

Nepi di imah salaki kakarangabarakatak. Asa kakaraeun mang-gih pangalaman nu matak nga -wiwirang. Untung wae nu nyahopolah kuring teh ngan salaki jeungdokter.

Heni WijayantiLido – Sukabumi

Manglé 2456 51

Page 54: Mangle 2456

Aya KitunaIncuna: “Ki, ari ieu warnabeureum atawa bodas?”Akina: “Beureum atuh Selud,maenya bodas.”Incuna: “Ari ieu sabarahahiji?”Akina: “Lima. Ku naontatanya waé, Sujang?”Incuna: “Mastikeun. HoréngAki téh masih kénéh normal!”Aki: “Nya heueuh matakdéwék hayang nyandung deuiogé da normal kénéh!”

NouvalKomplék Cibiru Raya

Kab. Bandung

Cita-citaIbu Guru nanya ka murid-muridna ngeunaan cita-cita -na.Bu Guru : Mir, cing naon cita-cita AmirAmir : Cita-cita Amirbade janten Profesor diwidang piaraan sasatoanhususna ngeunaan hayam.Amir bade nyiptakeun hayamnu teu aya buluan, supayaEma Amir lamun meuncithayam teu

cape nyabutan bulu hayamBu Guru : Bagus eta cita-citateh. Cing ayeuna naon cita-cita Udin.Udin : Cita-cita abdi badejanten Tukang JaitBu Guru : Naon alasananahayang jadi Tukang jaitUdin : Bade ngadamelanrompi pikeun hayam nu teuaya buluan Bu Guru : Naha kitu ?Udin : Lamun eta hayamnu teu aya buluan teu makerompi bakal asup angin,moallila umurna

Mamat KandawibawaPabuaran 63 Sukabumi

Olah RagaEndul: "Bayan, urang ku dusering olah raga supaya awakurang sehat wae!"Kabayan: "Ah, dewek mahlain embung kana olah ragaeuy!"Endul: "Ari kitu kuma- ha?"Kabayan: "Contona wae,dunungan Si Adul jeungdunungan Si Amad apananmaraot na teh sanggeus aro-lah raga!"

Endul: "Ah, dasar ilaing mahpagawean teh ngan kanamolor bae!"

Heni WijayantiLido – Sukabumi

Si ÉménNini: “Nyai, saha ari Si Eméntéh?”Nyai: “Teuing Nini. Nyai mahteu kenal jeung nu ngarannaSi Émén!”Nini: “Ulah ngabohong. Geu -ning cenah manéh kamamanatéh sok jeung Si Émén waé?”Nyai: “Lain Si Émen Nini, tapiSiemens. Mérek hénpun.”

NouvalKomplék Cibiru Raya

Kab. Bandung

SaliwangAki: "Ari maneh sakola dimana, Jang?"Udin: "Tos kaluar Ki, kawitnamah sakola pariwisata . . .Aki: "Baruk . . . maneh geuswiraswasta?"Udin: "Henteu Ki, abdi mahngang gur."Aki: "Alus Jang, daganganggur mah gede untung/' - -Udin: "Ih, Aki mah sali-wang..."Aki: "Ah henteu Jang, Akimah hen teu hariwang. Atoh

nu aya, boga incu bisa usaha."Udin (keuheul): "Duka atuhKi, abdimah janten repot nyariossareng Aki mah!"Aki: "Ih jamak weh Jang ankempot mah, ngaranna geaki-aki ..."Si Udin ngaleos.

Heni WijayantiLido – Sukabumi

Keur UbarAlo: “Nanaonan Emang téhngudag-ngudag ucing waé?”Emang: “Puguh rék ngalakumis na.”Alo: “Keur naon rék nyabutkumis ucing sagala?”Emang: “Nyaéta keur ubarnyeri cangkéng.”

NouvalKomplék Cibiru Raya

Kab. Bandung

Asup AnginKabayan: “Kakara kapikirayeuna mah, singhoréng pa-nyakit asup angin téh geus ayati jaman Firaon kénéh.”Astahiam: “Ah ari nanaon téh.Naon buktina?”Kabayan: “Éta geuning mumidina jaman Firaon nu ka-panggih ayeuna-ayeuna dinaawakna aya balseman. Pan

Page 55: Mangle 2456

balsem téh ubar panyakitasup angin.”

Fitra MuhammadSumedang

KuliahAmad: “Alhamdulillah geu -ning ari ku keyeng mah kur-ing bisa kuliah.”Umud: “Geuning bisa euy,padahal pan ilaing téh geuskolot. Dimana éta téh?”Amad: “Di masjid. Waktunaukur subuh jaba teu mayardeuih.”

Fitra MuhammadSumedang

SiropDokter: "Tah ieu pelna, sadin-ten tilu kali nuang, sareng ieusiropna ..."Pasen: "Hatur nuhun Pa Dok-ter, ieu mani dipasihan siropsagala rupi. Kaleresan di ro-rompok tos aya alpuketsareng bonteng surina, kan-tun meser es batuna baeengke di jalan."

Heni WijayantiLido – Sukabumi

Cakeut TreukPeri: Inget teu kanaheureuy jiga kieu ‘Apa bahasaSundanya aku dekat trukhitam?’Aman: Inget!Peri: Naon cenah?Aman: Abdi cakeut treukhideungPeri: Hahahaha…. Ehnaha teu seuri?Aman: Nanahaonan makeseuri da emang kaayaannaoge kitu.

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

Nyoblos 3Jona: Geuning April tehgeus pemilu nya. Rek milihsaha, Non?

Noni: Rek milih nu ku-misan we ah.Jona: Kunaon kudu nukumi san?Noni: Da kasep atuh nukumisan teh.Jona: Kumaha lamuncapres-cawapresna teu aya nulalaki?Noni: Ah rek digambaranheula we ah ku sepidol. Daengke mah pemilu na oge dibuleudan lain di coblos.Jona???

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

TEU NYAMBUNGDi padépokan silat:“Kunaon manéh nyerang titukangeun? Ngérakeun per-guruan siah!” guru silatnyarékan muridna.“Apan saur guru ogé teu kéng-ing nyerang tipayun…”“Tipayun téh hartina mi-heulaan! Lain ti hareupkéhéd!”

Abah Téa

TEU NYAMBUNG“Abah Emod parantos mayu-nan”“Inna lillahi…mugi ditampiiman Islamna”“Si ! Mayunan sotéh nyang-hareupan sémah, tuh di tepasbumina”

Abah Téa

DI JALAN TOL“Tadi isuk di jalan tol aya nupamer paha”“Wah. Teu boga kaéra tahjelema téh”“Maksud kuring pamér pahatéh, PAdat MERayap PAgiHAri”

Abah Téa

SaruanaUmi : “Kang, ayeuna mahbudak th geus pinter ngojay.”

Akang : “Na kumaha kitu?”Umi : “Leuwih ti sajam canhanjat kénéh.”AKang : “Wah hebat anakuing, ngojay dimana?”

Mita ArmitaParakan Muncang

SatiaAa : “Teu aya alesan aa kanggoninggalkeun enéng.”Enéng : “Nuhun atuh upamiaa badé satia mah.”Aa : “Sanés ku masalah satianéng, tapi masalahna teu ayadeui anu daékeun ka aa...”

Mita ArmitaParakan Muncang

Meuli SanguAdi : “Kira-kira jam sakieualfamart muka kénéh teu,nya?”Ono : “Muka atuh, karék géjam salapan. Rék meuli naonkitu?”Adi : “Rék meuli sangu, teukuat lapar...”

Agus SusantoJl. Gurame No. 39

PulsaUdin : “Pang meulikeun pulsanu 10 rébu ka konter!”Ibro : “Okéh... mana atuhmangkokna, ngarah teubahé?”Udin : “Haarrr…!”

Agus SusantoJl. Gurame No. 39

LungguhAa : “Naon anu dipikaresep tiAa, néng?”Enéng : “Aa mah lungguh,tara seueur carios, cicingeun,terang-terang busiat wéh!”Aa : “Euuhhh…”

Dede WidanaJl. Mandalawangi No. 45

Kadungora-Garut

SaliwangOmah : “Ku rasa tak perlu,untuk kau kembali, untuk

bercinta dengan aku lagih..terlambat, kini aku sudahbenci…”Odon : “Haaaah! Banci?”

Dede WidanaJl. Mandalawangi No. 45

Kadungora-Garut

PetinjuBapa : "Ningali dedegan awakjeung beungeut manéh mah,sigana cocok mun jadi petinju,Jang?"Ujang : "Alim ah, pami makésarung tinju mah teu bisangorong."

Ila KarmilaJl. Wastukancana 89

Bandung

Bodor GaringOmon indit ka Kakarta,manéhna leumpang da teuboga ongkos....Taaaah... kajadian anu lucunamah engké wé, pas Omonnepi di jakarta. Jadi dagoanheula wé da karék gé nepiPadalarang…”

Ila KarmilaJl. Wastukancana 89

Bandung

BeulahWa haji : “Pangmeulahkeunkalapa atuh.”Udin : “Teu bisa, wa...”Wa haji : “Naon atuh kabisatéh?”Udin : “Beulah durén, wa...!”Wa Haji : Beuu!!!

Zamzam Z.Jl. Cibankong No. 12

AmbekDodo : “Nyingkah siah!Popoyok waé kabisa téh!" Uni : "Kunaon manéh téh?Ambek-ambekan ka ucing."Dodo : "Geuleuh atuh da!Ngan méhong-méhong wéh,bari molototan beungeutuing."

Zamzam Z.Jl. Cibankong No. 12

Manglé 2456 53

Page 56: Mangle 2456

Jentréng

Rincik-rincik jentréng ngayun-ambing alun-alunTina kacapi bobo tina rawélan ramo-ramo ropohNgulisikkeun sapada laguning hirup nu méh surupKawas késang nyurulung sapugur caringin kurungRénghapna ditumbu deui dina héman tumamprak

Haleuang kawaas diringkangkeun engab sora laasKatut sapasang lamur panon nu lawas ditilar awasMelas-melis ngalaungkeun tétélar waktu kalarungMiharep keclak kapimilik lebah undem sabatokanDi dayeuh pangimpungan lalakon jeung cipanon

Rincik-rincik jentréng nungtutan leungiteun inangTina silung tungtung lagu tina pautan simpay umurTi dinya cengkat nyasar samar pamidangan isukan Léngkah batin ngajak nenggang néang kalangkangNu ranteng kajeueung rénghapna kawat sajemprung

Bandung, 2012

Kalakay

Taya reureuhna raga nebarkeun petétanNgaseuk kayakinan, nanceb turus sakebonanLeungeun nu lawas rengat, dampal suku nu barejadÉstu tugurna galuring usum nu teu daék cunduk

Saparat palintangan teu suda ngarintahkeun ringrangNgeunaan hirup nu salawasna dicébor baruangAntara miang jeung mulang nu diundeur ukur rang -rangSabada léngkah jadi régang ngajeungkalan kahayang

Taya hartina tigin miasih citangis langitRenung sirung nungtut pugur sakatigaTur kalakay demi kalakay jeung geutahna getihlalakonÉstu pucuk nu lana ditilas tina rénghap nu pa-mungkas

Garut, 2012

Jemplang

Tembang bulan ngajemplang jeroning sukmaMangsa ungkara demi ungkara kayakinan maluguranSapanjang jalan nu ngantengkeun panineunganLebah pada lalampahan jeung padalisan pangum-baraan

Suling nu lawas silung, kawat kacapi nu paregatIsarah saréwu léngkah nu leungiteun wirahmanaSedeng dangding nu dianggit saméméh inditGeus sirna dina helung haleuang lagu panungtung

Kami geus béakeun kecap pikeun madakeun rumpakaKinanti ngaruhit usik atawa asmarandana nu teukapibandaWuwuh ligincing hariring tina lalaas sora nu pa-mungkasSukma reureuh mangsa tembang bulan nyamagahasalawasna

Cianjur, 2012

ARI ANDRIANSYAH,lahir di Bandung 18 Januari 1988. Alumnus JurusanPendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI Bandung.Nulis di sawatara média. Dumuk di Karawang, guruBasa Sunda SMAN 1 Ciampél.

54 Manglé 2456

Page 57: Mangle 2456

Manglé 2456 55

KA GIGIR:1. Wadah barang cair5. Musuh patani7. Akang (Minang)8. Kurang, teu cukup sakumaha mist-ina9. Lebé10. Musuh13. Kalakuan16. Ngaran kleup méngbal ti JawaBarat19. Barang nu rada tahan ku seuneu23. Siksa24. Usaha jual beuli25. Baheula ngaranna IKIP26. Matak hemeng, teu kaharti ku akal27. Nyiru gedé

KA HANDAP:1. Masalah2. Wedak3. Kaisar Romawi nu ngabeuleumkota Roma4. Lawon nu bahanna tina cacakahileud5. Pagawean nu ka/ditunda6. Wadah tempat calacah/kuntungroko11. Ukuran lega12. Indung13. Taman Pendidikan Al Quran

14. Mérek pakean15. Kampak (Inggris)16. Baju saré17. Waktu antara tengah peutingjeung siuk-isuk18. Purah ngubaran nu gering20. Gerak badan21. Kembang22. Paroman

Waleran diserat dina kartu pos, tém-pélan Kupon Tarucing Cakra No. 1422.Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1420:

1.Sultan HabibJalan Pasirkaliki RT 02 RW 15

Sadang Serang- Bandung2. Rohman

Jl. Kebon Gedang 144/74 ABandung

3. Iwan KurniawanJl. Moh. Hata Gg. Citalaksana II 43Tasikmalaya

1420K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 58: Mangle 2456

“Batur hirup urang, Lo.”“Saha, Mang?”“Awéwé.”“Awéwé nu mana?”“Pamajikan, Lo.”“Oh.”“Kalan-kalan jadi sumber inspirasi,

Lo.”“Sumber inspirasi karya, Mang?”“Enya, pangpangna karya nu nga-

hasilkeun duit.”“Héhéhé.”“Da kudu dibayuan atuh pama-

jikan téh, Lo.”“Yaktos. Lamun teu dibayuan,

Mang?”“Wah cilaka.”“Cilaka kumaha?”“Moal bisa balik ka imah, Lo. Najan

bisa balik ka imah tangtu bakaldibaeudan lamun teu mawa cécéhmah.”

“Aya nu leuwih cilaka ti dinya,Mang.”

“Naon, Lo.”

“Moal bisa unggah ka enggon.”“Hus, bisi disénsor kéh.”“Héhéhé.”“Padahal sok disebut mahluk tak

berdaya, Lo.”“Bener, malah sok remen aya nu

jadi korban kekerasan dalam rumahtangga.”

“Tapi dina kanyatanana mah sokkumawasa. Sok ngatur ka urang téh.”

“Ambuing.”“Tong boro pantar urang, pantar

jawara kahot modél Mang Juminta ogékapan kungsi lumpat tibuburanjatwaktu disusul ku pamajikanana katempat maén kartu.”

“Walakadalah.”“Padahal ka batur mah kapan saki -

tu haok kadua gaplok.”“Aya sima naon atuh di pamajikan

téh nya, Mang?”“Teu apal, Lo. Sigana kudu aya

panalungtikan anu leuwih teleb.”“Kudu di kalaboraturiumkeun,

Mang?”

“Hus, bisi kadéngéeun kéh ku -pamajikan.”

“Aéh enya nya.”“Papadaning kitu....”“Kumaha, Mang?”“Sok sanajan pangaruh pamajikan

ka urang, ka kaom lalaki, angger wé aripalebah pagawéan atawa organisasimah kudu proposional jeung profé-sional. Ulah sagala kumaha ceukpamaji kan.”

“Satuju, Mang.”“Mamang kungsi digawé di pausa-

han, pamajikan éta pausahaan téh sokhayang milu campur baé kana urusankantor. Hih, na éta pausahaan téhjalanna ogé teu pati reugeujeug.”

“Walakadalah.”“Mamang ogé kungsi milu hiji

organi sasi, pamajikan pamingping étaorganisasi sok pipilueun baé kana uru-san salakina.”

“Kumaha, nasib éta organisasi,Mang?”

“Ancur, Lo.”“Beu. Organisasi gé nepi ka ancur,

komo deui pamaréntahan nyah,Mang.”

“Papadaning kitu, lain hartinaurang nganggap handap darajat kaomwanoja. Tapi urang kudu bisa nempat -keun mana urusan rumah tanggamana urusan di luar rumah tangga anubutuh ku kategasan urang minangkalalaki.”

“Muhun. Atos Mang ulah diteras -keun bilih janten sorotan.”

“Nya kitu téa, Lo.”***

Pamajikan

56 Manglé 2456