Mangle 2474

57

Transcript of Mangle 2474

Page 1: Mangle 2474
Page 2: Mangle 2474

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL

PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata, Ny. Hana

Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang

R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA -

RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORES PONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-

marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky

M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.

Sumanget hayang boga pamingpin ti seler sora -ngan, tembong di mana-mana, saperti ayanarupa-rupa sawala. Dina mapag pilpres ge kitu, teu

weleh loba sora nu miharep urang Sunda jadi presidenatawa wawakilna. Kahayang kitu, wajar da Indonesiateh milik sakumna bangsa.

Kahayang boga pamingpin ti Sunda gé, ulah ukurngageder lima taun sakali, mangsana pilihan legislatifjeung présiden. Lian ti kitu, ulah ukur matok kanapupuhu pamarentahan di tingakt puseur wungkuldeuih. Da, rupa-rupa widang jeung tingkatan gé butuhpamingpin.

Nu leuwih penting deui nataharkeunanana. UrangSunda gé kudu loba nu jadi pingpinan partey pulitik.Cara kitu téh, salasahiji jalan keur nempatan kapaming -pinan pamarentahan. Da, kitu ilaharna, nu ‘diaben -keun’ piliheun rahayat gé, inohong atawa pingpinanpartéy pulitik.

Miharep Sunda jadi pamingpin nasional, teu weléhaya sugan, tapi lain susuganan. Hartina, mapag mangsadatang teh kudu ditataharkeun jeung diihtiaran ti ayeu -na. Patekadan kalayan dibaladah ku lengkah-lengkahnyata, leuwih hade batan ukur humandeuar mikiransaayeunaeun.

Mun ayeuna ngarasa kasilih, kudu jadi kapeurih.Kasadaran ngarasa boga kahengkeran, sawadina jaditanaga nguatan tarekah. Rupa-rupa kalemahan, kudujadi tatapakan robahna pasipatan jeung paripolah.

Tumali jeung nataharkeun kapamingpinan, Manglenomer ieu ngolongan pamanggih Prof. Dr. KarimSuryadi, M.Si., Dekan FIPS Universitas PendidikanIndo nesia (UPI) Bandung. Ieu guru besar di eta kampustéh beuki dieu beuki remen ditanggap dina sawala-sawala tingkat nasional. Remen makalangan di Batawijadi nara sumber dina tv-tv swasta nasional.

***

Tatahar ti Ayeuna

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2474

Sunda Ukur Diarah Sorana

........................................................... 8

BANDUNG - BANDUNG

Sarana Transportasi

Ngarojong Kahirupan Wisata

di Kota Bandung

......................................................... 10

KOLOM

Bedo Jadi Profesor

H. Asep Sjamsul Bachri

......................................................... 41

IMPLIK - IMPLIK

Nu Leungit di Gunung Masigit

......................................................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Gedong Sate ...................................... 42

Mangle Alit ....................................... 44

Katumbiri .......................................... 50

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5LAPORAN

Nyawang Tatar Sunda

ti Awang-awang

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Ceunah 55 menit deui pesawat take off.Manéhna masih diuk dina bangku

tunggu, nyuruput kopi haneut tina cupnu tulisanna Starbuck. Jelema euweuheureunna lalar-liwat, nu karék turun napesawat, nu dék naék, rupa-rupa pisan,boga tujuan jeung urusan masing-ma -

sing. Kaciri aki-aki bulé maké topiloréng kaluar ti gerbang D ngagusur

koper gedé 24 inci warna héjo botol........

Ti Frankfurt Mulang Ka Garut

Redaksi Majalah MANGLÉ nampi mangrupi-rupi seratan ti mitra MANGLÉ, bohfiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: [email protected] cc: [email protected] seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratankaryana tangtos kenging honor.MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sarengsaran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)

JAGAT WANGWANGAN

(KACA : 17 - 40 )

Page 4: Mangle 2474

3Manglé 2474

KKacaTilu

Perpustakaan Kota

Unggal poé Saptu-Ahad kotaBandung macét total. Komolamun ninggang dina peré

panjang saperti minggu tukang.Kandara an di mana-mana ngarayap,malah teu kurang-kurang anu kudusalila-lila kapahung, maju teu lajumundur komo. Cenah aya anu ngala-man ti Jakarta arék ka Lémbang. TiJakarta ka pintu tol Pasteur mah duajam gé geus nepi. Tapi ti tol pasteur kaLémbang kakara nepi sanggeus sala-pan jam.

Rék ka marana waé atuh anudaratang ka Bandung téh? Anu popu -lér téh ulin, balanja jeung jajan. Lobapangulinan anu matak resep cenah didieu téh. Komo ayeuna sanggeus rupa-rupa tempat dibebenah, nu ngahaja -keun arulin ka dinya téh boh kolotnaboh barudakna ngarasa betah. Dalahanu geus nyampak saméméhna gé teukurang-kurang panarikna. Nudaratang ka Tangkubanparahu apanteu saat-saat. Kawah anu umurna geusrébuan taun téh masih terus padangadareugdeug.

Atuh balanjaan naon anu euweuhdi Bandung? Ti mimiti barang-barang buatan luar nepi ka jieunanurang dieu, butuh naon waé ogé aya.Ninggang baju anu teu sabaraha gé,dina lebah dipakéna ku wanoja Ban-dung mah matak nambahan nyarina.Komo anu mojangna dalah anu geustengah tuwuhna ogé wanoja Ban-dung mah masih kénéh karasasieuran ana.

Geus puguheun ari dahareun mah.Pilakadar aci digoréng, na atuh manijadi matak sohor. Kitu deui surabi.

Tipung béas, teu digoréng teu naon,pila kadar ukur dipurulukan oncomatawa dibanjur ku kinca, apandipikasedep ku saréréa. Komosanggeus anu meuleumna mojang nulalenjang mah.

Keun waé da euweuh salahnalamun sakalina balanja atawa jajanbari sakalian ngélékéték birahi.Lumrah na kitu di mamana gé. Ulahsotéh diumbar.

Naha kota Bandung téh rék diantepngan sakadar semet dinya?

Sakuduna mah teu cukup ku kitu.Ulah poho, Bandung téh salasahijikota di Hindia Walanda anupangheulana aya sakola. Sanggeus ayasakola, lain ngan urang dieu wungkulanu jaradi muridna téh. Nu daratang tipulo-pulo séjénna ogé teu kurang-ku-rang. Nya di Bandung urang dieujeung urang ditu téh silih baeukeun.Papada baroga élmu, dina sakalinapagune man téh atuh jadi kapapanja -ngan.

Kangaranan anu baroga élmu téamindeng tarepung, bari terus pabéja-béja, nya kota Bandung gé terus beukihirup. Teu matak hélok lamunSoekarno jauh-jauh ti Surabayaneruskeun sakolana ka Bandung. Kitudeui bangsaning Syahrir jeung nuséjénna. Di Bandung téh sumberpaélmuan ana nyampak, hawanagenah, tempat hiburanana ogé teu ku-rang-kurang. Di kota Bandung can ayabioskop, di Bandung mah geus aya.Mangkaning nu dilalajoan di bioskoptéh loba enon-enon, atuh nyameujeuh na lamun pangjurung kananyiar élmu gé beuki rosa.

Mun Bung Karno teu lila matuh diBandung, moal aya tah marhaénismetéh. Coba éta geura, pan Sukarno téhintéléktual anu masagi, sumberbacaan ana sasatna ti sakuliah dunya,na ku naon maké jeung manggih inspi-rasi anyar sangggeur tepung jeung PaMarhaén. Padahal Pa Marhaén téhukur bulu taneuh anu sapanjanghirupna teu weléh pabeulit jeungkésang katut daki.

Anu kahudang inspirasinasanggeus matuh di Bandung téh lainngan Sukarno wungkul. Nu séjénnaogé lain hiji-dua. Dina sagala widangdeuih, kaasup dina widang perjoa -ngan. Mun ceuk panyajak mah Ban-dung téh apan jadi kota kelahirankedua, cenah.

Ari kadieunakeun, siga dipopoho -keun tah nu lebah dinya mah. Ban-dung téh ngan ngadeg-ngadegkeunmol jeung hotél wé. Bioskop deuih. Arianu tujuanana jadi panginget balaréakana urusan intéléktual mah, siga anurék dileuleungit. Hirup téh apan teucukup ku dahar jeung paké, tapi kududibarengan ku uteukna. Dina mangsaka tukang-tukang Bandung téh geusjadi palatukna dina urusanngamekarkeun uteuk.

Geus meujeuhna di Bandung ayeu -na aya perpustakaan kota anu matakjadi kaagulan saréréa. Sing nga-jengléng, sing pepek, sing matakreueus jeung dijarugjugan ku anu tisakuliah dunya. Maksudna keur mara-ban uteuk téa. Lamun Ridwan Kamilteu bisa nyieun perpustakaan kota anurépréséntatif, nya naon béda atuhjeung nu séjén? AM

Page 5: Mangle 2474

Manglé 24744

KKoropak

Majalah Manglé

Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan

PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.

Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé

Jalan Lodaya No. 19 Bandung.

Telepon 022-7303438,

Hp. (Tuti) 0857 21307232

1.Bentang Lapang

Rp. 20.000,-

2.Dulag Nalaktak

Rp. 15.000,-

3.Pileuleuyan

Rp. 15.000,-

Page 6: Mangle 2474

Jawa Barat upluk-aplak, mundi sorang kandaraan darat,najan aya tol gé tetep butuh

waktu mangjam-jam. Kitu deuimun nu ti tatar kidul rék nyaba katatar Jawa Barat teu gampang,lantaran rereged patalimarga.Atuh, mun aya lapangan udara,saperti di Majalengka, apan bisajadi cukang lantaran gampangna

nu nyaraba ti kota ka kota séjénna.Rarancang nyieun Bandara

Kertajati, Majalengka, geus ti béhditu mula. Najan reuhreuy tetepdikeureuyeuh. Kitu téh, luyu jeungkabutuhan patalimarga numingkin dieu mingkin nambahan.

Tumali jeung patalimarga,Jawa Barat gé teu weléh tatahar.Di antarana ngahangkeutkeun la-

pang kapal di Kertajati Ma-jalengka, Jawa Barat.

Ketak pamaréntah kitu, kasak-sén waktu Gupernur Jawa BaratAhmad Heryawan (Aher) niténantahap-tahap pangwangunan Ban-dara Internasional Jawa Barat(BIJB) di Kertajati, KabupatenMajalengka.

Geusan ngahangkeutkeun éta

5Manglé 2474

LLaporan

H. Ahmad Heryawan, Lc., waktu ngajelaskeun makét pangwangunan Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB) Kertajati ka Presiden jeung Ibu Negara Ani Yudhoyono

Nyawang Tatar Sundati Awang-awang

Runggunukna palemburan, arula-arileuna walungan, témbrés ti luhur mah. Tah, kitu ogé mun nyawang tatar Sunda ti awang-awang. Pamandangan Jawa Barat kawas kitu,

ka hareup mah bakal remen kasaksén. Apan, kapal bakal leuwih loba nu patingkalayang, nu rék eunteup di Bandara Kertajati Majalengka.

***

Page 7: Mangle 2474

program, gupernur ngayakeunrapat pimpinan (rapim) anu hususmedar kamekaran pangwangunanBIJB atawa nu salila ieu katelahBandara Kertajati.

"BIJB dikeureuyeuh diwangun.Taun tatahar ngabébaskeun lahankanggo runway (landasan pacu)tahap kahiji. Udaganana réngsétaun 2015,” ceuk Gupernur JawaBarat.

Rapat pimpinan ogé medar turmaheutkeun organisasi nungokola keun BIJB. Malum, uru-san patalimarga di awang-awangmah loba rambat-kamaléna. Nuhartina, kudu dibatilungkeunsagala rupana.

Bandara Kertajati, baris‘marengan’ Bandara InternasionalSoekarno-Hatta, Banten. Bandaraanyar nu jadi lawang utama Indo -nesia ieu téh bakal dikokolakeunku pausahaan ‘joint venture’.

"Bakal diadegkeun pausahaandaérah PT BIJB kalayan gawébareng sareng BUMN (BadanUsaha Milik Negara) AngkasaPura II, sarta pihak swasta na-sional atanapi internasional. Tiluar negerina sareng pausahaanKorea Selatan," ceuk Aher.

Manglé 24746

LLaporan

Maket Bandara Internasional Jawa Barat

Lahan upluk-aplak nu legana 1.800 héktar kiwari bakal jadi Bandara Internasional

Kertajati bakal jadi salah sahiji bandara Internasional nu panggedéna di Indonesia

Page 8: Mangle 2474

Ngalap MangpaatDi mana waé ayana, bandara

mah butuh lahan anu lega. BIJBgé diwangun dina lahan nu upluk-aplak, legana 1.800 héktar. Lahananu geus dibébaskeun kurangleuwih 800 héktar. Dina waktu numoal lila deui, lahan sésana nuperelu dibébaskeun, bakalsagancang na réngsé.

Direktur Pengembangan Kerja -sama Pemerintah dan Swasta padaBappenas, Bastary Pandji, nandes -keun BIJB butuh anggaran Rp 10triliyun ti pihak swasta. Lian ti éta,ogé dana Rp 350 miliyar anuasalna tina APBN (Anggaran Pen-dapatan & Belanja Negara).

Pangubutuh séjénna, 130 yutadollar keur waragad konstruksi‘landside’. Éta téh, di antaranakeur ngawangun terminalpanumpang jeung kargo, pasilitaspangrojong, operasional, sartakeur sarana miara sistem ban-dara.

Gupernur Jawa Barat AhmadHeryawan ngajéntrékeun ayanaopat agenda dina pangwangunandi Jawa Barat. Diantarana,ngawangun BIJB, dua ruas tolCikampek-Palimanan-Kertajatisarta pangwangunan tol Cileunyi-Sumedang-Kertajati, pangwangu-nan Waduk Jatigedé sartapalabuhan Cirebon.

Pangwangunan nu opat rupatéa, jadi program mekarkeun

kawasan Jawa Barat tatar wétan.Ku cara kitu, pangwangunan téhbakal leuwih walatra.

Upaya ngabébaskeun lahanBIJB, nurutkeun AhmadHeryawan, nepi ka taun 2013 ka-mari geus nepi ka 77,5 héktar tinatotal lahan anu bakaldibébaskeun. Nu can dibébaskeun,keur dikeureuyeuh diréngsékeun.Kitu ceuk Kang Aher.

Nurutkeun Kadishub JawaBarat, Dedi Taufik pangwangunanrunway tahap munggaran,panjang na 2.500 meter, legana 60meter, sarta dimekarkeun nepi ka4.000 méter.

"Runway di bandara Kertajatitéh disiapkeun keur pesawat gedé,saperti A-380 sareng Boeing 777jeung sajabana," pokna.

Proyek Bandara Udara Kerta-jati ieu engkéna ditataharkeunsangkan bisa ngalayanan genepjuta nepi ka 10 juta panumpangsaban taun. Nilik ka dinya, JawaBarat bakal jadi pangjugjugan,bakal leuwih haneuteun.

Presiden Susilo BambangYudho yono nétélakeun, BandaraInternasional Jawa Barat (BIJB)di Kertajati bakal jadi salah sahijibandara Internasional nupanggedéna di Indonesia sartabakal jadi kareueus bangsa Indo -nesia, Jawa Barat jeung wargaMaja lengka.

Ku lantaran kitu, nurutkeun

Presiden pangwangunan bandaraKertajati téh kudu tuluy-tuluyandigarap pamaréntah ku cara nga-mangpaatkeun alokasi anggarananu geus disadiakeun ku masing-masing pihak, daérah jeungpuseur.

SBY ngarasa reueus ningalikamekaran pangwangunan diMaja lengka anu terus maju, di -rojong ogé ku ngaronjatnapaékonomian masarakat. Pancénpamaréntah pikeun mérékaraharja an ka masarakatna. Kituceuk presiden téh.

Patalimarga, lain ukur mawajalma atawa barang ti tempat katempat. Da, teu weléh aya mang pa -at séjénna. Dina sajeroninglumampah, ari di awang-awangmah bakal bruh-bréh pamanda -ngan. Asal keur hadé poé, langitcangra, tetempoan di handap gébisa jadi pangirutan. *** (AS)

7Manglé 2474

"Runway di ban-

dara Kertajati téh

disiapkeun keur

pesawat gedé,

saperti A-380

sareng Boeing 777

jeung sajabana,"

Page 9: Mangle 2474

Rupa-rupa sawala kapaming-pinan, remen kabandu -ngan. Intin sarua. Miharep

Sunda jadi presiden atawawawakilna. “Kahayang kawas kituilahar keur sakumna sélér bangsa,”ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi,M.Si., Dekan FIPS UPI Bandung.

Nyaritakeun kapamingpinanSunda, ieu profesor nu resepmacaan carita-carita Sunda téh,ngarasa kataji ku lalampahanYogas wara dina Mantri Jero,karangan R. Memed SastraHadiprawira. Éta lalakonngagambar keun lalampahan tokohcarita ti mimiti nyiar élmu nepi kajeneng jadi gegedén nagara. Ceukieu panitén pulitik ti kampus

kawah Candradimuka guru mah,éta lalakon téh gambaran karuhunSunda dina cara nataharkeun pi-pamingpineunana. Ti anggalnakénéh, Yogaswara diatik ku kolotnamalah dipasantrénkeun sina cukupélmu panemuna. Saterusna, sina di-ajar macakal sora ngan, nété karir tihandap heula. “Intina, jadi paming-pin téh teu ujug-ujug, tapi kedahngaliwatan prosés nu panjangkalayan puguh tahapan-tahapan -ana,” pokna.

Kumaha ari ajén-inajénpaming pin Sunda kiwari? Prof.Karim gé teu ngarasa anéh, upamanu kabandungan tacan nyugema -keun urang Sunda. Kituna téh, lan-taran aya dua pasualan,

Manglé 24748

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.

Dianggap penting

tapi teu diajakan.

Geus diarah sorana

mah, cul wéh!

Disampeur deui lima

taun ka hareup.

Sunda diajak

émprak jeung surak,

dipénta sora pang -

rojongna. Terus kitu

téh nepi ka iraha?

***

Sunda

Ukur

Diarah

Sorana

Page 10: Mangle 2474

sakurang-kurangna téh. Nu kahiji,urang Sunda can pati bisa ngojayankahayangna, kaasup mikahayangboga presiden ti Jawa Barat.Malah, ceuk ieu panitén politik nuremen makalangan di tingkatnasio nal téh, nu kabandungan,urang Jawa Barat saukur hayangwungkul. “Nataharkeun pamingpinSunda, teu cekap ku hoyongwungkul,” pokna.

Pasualan kadua, nu patali jeungkatokohan di tingkat nasional.Upama seké-séler batur waranimanggung di luar daérahna, ariurang Sunda mah, béda. Kaayaankitu, jelas mangaruhan kana jeng -lengan pribadi urang Sunda nu kadituna bisa ditawarkeun ka tingkatnasional. Masalahna, ceuk ieuGuru Besar Ilmu Sosial UPI, urangJawa Barat hésé ngawanohkeuntokoh Sunda di tingkat nasional.“Urang mah sesah ngawanohkeuntokoh. Malihan nu radadipikawanoh di tingkat nasionalogé, ka dituna mah sok gancangpoho deui ka wiwitan,” pokna.

Penting teu Penting

Dina saban pilihan umum, soraTatar Sunda jadi ukuran. Kitunatéh, lantaran Jawa Barat boga sora

panglobana batan propinsiséjénna. Ngan, hanjakal, cek Prof.Karim Suryadi, Jawa Barat saukurdiarah sorana wungkul. “Soraurang Sunda dianggap penting tapiurang Sundana teu dianggapperelu diajak icikibung dina pa-maréntahan,” pokna tandes naker.

Upama kapamingpinan Sundataya robahna saban pilihan umum,hartina urang Sunda kudu geurabeunta. Carana? Cek Prof. Karim,teu aya deui, iwal kudu aya modélgerakan nataharkeun pipaming-pineun ti Jawa Barat. Dina étagera kan, rupa-rupa pasualan bisadipadungdengkeun. Di antarana,ngajinekkeun léngkah-léngkahtokoh Jawa Barat dina sagalawidang, kaasup keur calon paming-pin bangsa. Saterusna, bisanguatan deui tokoh-tokoh nu geusaya. “Nempatkeun urang Sundalian ti sina nempatan pupuhupartéy pulitik, ogé tiasa jadipupuhu dina widang séjénna,” cekProf. Karim nu remen jadi narasumber dina tv-tv swasta nasionaltéh.

Nataharkeun pamingpin mé-mang lain perkara gampang jeunglain ukur urusan hiji golongan.Hartina, butuh kadariaan ti saban

golongan, nu bener-benermikahayang na. Upama udagananaPilpres 2019, hartina, para tokohJawa Barat ulah pundunganmetakeun jurus-jurusna. “Paratokoh Sunda kedah gaduh agéndaanu jelas, puguh léngkah-léngkahna, tapi ulah pundungandeuih,” pokna dibarung mésem.

Saha nu payus urang JawaBarat keur ‘abenkeuneun’ ditingkat nasional? Cek ieu teureuhSubang, sabenerna urang JawaBarat moal éléh kamampuhna dinamingpin ieu bangsa. Ngan, han-jaka, urang Sunda sok jarempéwaé. “Calon-calon pipamingpineunti Tatar Sunda, hadéna ulah‘ngerem’ sorangan baé. Kudu lu -deung liar, makalangan ka jauhna,”tandesna.

Pilihan masarakat dina démok -rasi tacan nyugemakeun. Nu milihjeung nu rék dipilih, loba nu teu‘silih pikawanoh’. Balukarna, angen-angen masarakat gé jauh tinaharepanana. Kumaha masarakatdina mapag pilihan presiden? Nahanu rék milih moal salah pilih? CekProf. Karim, salila atikan politikmasarakat diapilainkeun, tangtuhasilna ogé moal pati nyugemakeun.***Tim Manglé

9Manglé 2474

Tokoh Tatar Sunda, hadéna ulah ‘ngerem’ sorangan baé.Para inohong Sunda keur madungdengkeun pamingpin pikahareupeun

Page 11: Mangle 2474

Manglé 247410

Transportasi mangrupa halanu kacida pentingna dinakagiatan ékonomi, boh ka-

giatan ékonomi pertanian bohpadagangan, pon kitu deui kagiatanékonomi wisata. Lancar tur

tumaninah na sarana transportasiéstu gedé pangaruhna pikeunningkatkeun jumlah wisatawan katempat tajuan wisata. Alatan kitu,Kota Bandung nu geus katelah KotaWisata, salian ti mibanda rupa-

rupa kabeungharan alam téh ogéeuyeub ku titinggal sajarah, diantara na titinggal purbakala dimusieum géologi, jeung gedong-gedong nu ngandung ajén sajarahsaperti Gedong Merdéka patilasan

Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Kota Bandung, H Herlan Soemardi Sip Msi

Bangunan nu ngandung ajén sajarah jadi salah sahiji daya tarik wisata

BBandung-Bandung

Sarana Transportasi Ngarojong Kahirupan Wisata di Kota Bandung

Page 12: Mangle 2474

11Manglé 2474

Konfrénsi asia Afrika, jeung sajaba -na, nu diwedelan ku poténsi senibudaya nu réa rupana, éstu teureueuh metakeun tarékah pikeunterus ngabebenah sarana trans-portasi. Éta hal ditétélakeun kuKepala Dinas Pariwisata danKebudaya an ( Disparbud) KotaBandung, H Herlan Soemardi SipMsi, ka Manglé sawatara waktu nukaliwat.

Nu diandelkeun ku PamaréntahKota Bandung ngaliwatan Dispar-bud pikeun mikat wisatawan , bohwisatawan Nusantara boh wisata -wan mancanagara, di antaranatempat-tempat wisata balanja,wisata kulinér, wisata seni jeungwisata budaya. Éta sakabéh jenispoténsi wisata téh pada-pada bogakapunju lan nu mandiri. Kamanawaé wisatawan ngaléngkah di KotaBandung éstu moal bosen, lantaransagala rupa nu dipikabutuh geusnyampak.

Pikeun wisatawan Nusantarajeung wisatawan mancanagara anuresep tuang-leueut, Kota Bandungéstu tempatna, lantaran nyampak

rupa-rupa wisata kulinér, ti mimitikadaharan tradisional nepi kakadaharan impor aya. Lengkep.Atuh pikeun anu resep balanjarupa-rupa pakéan, Kota Bandungogé kawéntar réa disainer petingan.

Tempat ulin barudak ogé balatak. “Pon kitu deui pintonan kréasi

seni para seniman, ti ngawitankasenian tradisional nu asli dugi kaka pintonan seni kréasi, di Bandungmah lengkep,” pokna.

Herlan ngémbohan, saranapang rojong pikeun mikat wisatwansangkan nganjang ka Kota Ban-dung, salian ti tumaninahna saranatranspormasi téh, rupa-rupa hotélberbintang ogé kawilang lengkep.Sipat masarakat Kota Bandung anusoméah hadé ka sémah ogé éstunambahan betahna wisatawan nudatang ka Bandung.

Papadaning kitu, ceuk Herlan,aya hal anu kudu jadi perhatianpihak pamaréntah Kota Bandungjeung pangusaha swasta, nyaétadina ngalengkepan sarana jeungprasarana sangkan para wisatawanleuwih betah aya di Bandung.Misal na, ngawangun sarana wisatati mimiti hal-hal anu leutik sapertitoilét, jeung sarana ibadah.Sedengkeun pasualan hawa mahteu pati jadi masalah, lantaran soksanajan kadang kadang hawa di

Kota Bandung karasa bayeungyang,masih kénéh kabantu ku ayanataman-taman kota nu pinuh kutangtangkalan.

Usaha dina widang wisata bakalngadatangkeun kauntungan lamun

naon anu dibutuhkeun ku wisata -wan katedunan. Sok sanajan kurangpromosi sacara pormal, lamunwisatawan ngarasa sugema mahtangtu bakal pabéja-béja turngawawarkeun ka batur atawabarayana, pikeun nganjang ka KotaBandung.

“Kanggo ngamekarkeun pari-wisata di Kota Bandung mémangbutuh kadariaan ti pihak nungokola keun tempat wisata. Ku ki-tuna, Disparbud Kota Bandungkalawan maneuh ngaping parausaha wan di dunya pariwisata,sapertos pangusaha hotél sarengpangusaha tempat hiburan. Ponkitu deui para padamelna, diihtia -ran sangkan ngaronjat kamampuh -na,” ceuk Kabid Obyek WisataDisparbud Kota Bandung, DidenSiti Sundari SH.

Tarékah pikeun ningkatkeun ka-mampuh para pagawé di dunyapariwisata, dilaksanakeun ku carangayakeun pendidikan jeung palati-han, sangkan saban palaku usahawisata bisa diandelkeunkamampuh na, pikeun ngaronjat -

keun kamekaran dunya pariwisata.Para pangusaha jeung pangrajinbarang-barang supenir ogé terus di-aping, sangkan bisa terusningkatkeun kualitas produkna.***Cucu /Dédé

Wisata kulinér ogé jadi salah sahiji andelan Kota Bandung Kota Bandung euyeub ku titinggal sajarah

Page 13: Mangle 2474

Manglé 247412

NNyusur Galur

Kira sajam ngagunakeun kendraan roda opat tipuseur dayeuh Kabupaten Majalengka, cundukka Talaga, kota kacamatan anu henteu pati

rame. Puseurna teh alun-alun anu kenca katuhueun -ana ngajengjreng toko-toko, ti mimiti toko pakean,rumah makan leutik, toko kolontong, pasar sayuranjeung anu sejen-sejenna deui. Kasorenakeun kotarobah jadi sepi.

Talaga mangrupa salasahiji kacamatan bawahanKabupaten Majalengka nu tapel wates jeung Kaca-matan Banjaran (kaler), Kacamatan Cikijing (Wetan),Kacamatan Cingambul (kidul), Kacamatan Banta -rujeg (kulon). Sacara geografis Talaga perenahna 626m.dpl, aya dina runtuyan perbukitan gunung Cireme.Lega Kacamatan Talaga 43,50 km atawa 3,61% tinalega Kabupaten Majalengka. Desa Talaga Kulon

mang rupa puseur dayeuh Kacamatan Talaga,anggangna ti puseur dayeuh Kabupaten Majalengkateh ngan 23 km. Tepi ka ayeuna Kacamatan Talagangabawah 16 desa, Margamulya, Cibeureum,Cikeusal, Jatipamor. Cicanir, Campaga, Lampuyang,Mekarharja, Talaga kulon, Talaga wetan, Salado,Arga sari, Gunung Manik, Ganea, Sukaperna jeungKertarahayu (Badan Pusat Statisti Kabupaten Maja -lengka- 2008)

Sanajan ayeuna statusna ngan saukur Kacamatan,tapi pikeun hiji wilayah, Talaga boga sajarah anu pan-jang. Tradisi masarakat boga kayakinan yen samemehjadi kacamatan, ieu wilayah setatusna Karajaan anucorakna Budha, anu eksistensina sajaman jeungKaraja an Sunda jaman kalungguhanana di Kawalianu saterusna di Pakuan Pajajaran.

Bukti-bukti ngeunaan ayana Karajaan Talaga ka-panggih dina historiografi tradisional jeung titing-galan arkeologis. Nu dimaksud historiografitradisional nyaeta karya sajarah nu ditulis sacaratradisio nal, lain sajarah akademis anu ditulisnangaguna keun metoda sajarah kritis. Dina umumnakarya sajarah tradisional teh diwangun ku tilu unsur,nyaeta sajarah, sastra jeung mitos. Tujuan ditulisnalain keur nuliskeun sajarah sakumaha mistina anukajadian, tapi pikeun ajen-ajen anu gelar waktu etakarya ditulis jeung bisa jadi ngandung kapentinganpulitis sabab inti lalakon biasana ngeunaan Rajaatawa Bupati jeung para luluhurna anu mangsa haritakeur marentah. Di Tatar Sunda mashur disebutnaBabad, Carita, Sajarah atawa silsilah, biasa disebutoge naskah (Manuskrip). Puseur wilayah anu jadipanggung sajarah oge mangrupa wilayah karajaanatawa wilayah kabupatenna sorangan. Lan ti kitu,sumber-sumber anu mangrupa historiografi tradi-

Sajarah Karajaan TalagaBukti-buktina kapanggih Tina

Historiografi Tradisional jeung Titinggal Arkeologis

Kumargi seratan ngeunaan “Menelusuri Situs

Prasasti Batutulis” karya Saleh Danasasmita

(Kiblat)” ditamatkeun dugi ka minggu pengker,

Nyusur Galur ti ngawitan ayeuna bade medar

“Sajarah Karajaan Talaga”. Laporan ngeuna an

Panalitian sajarahna anu dilaksanakeun ku Tim ti

Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa

Barat pingpinan Prof. Dr. Hj. Nina Herlia Lubis.

***

Page 14: Mangle 2474

13Manglé 2474

sional aya anu kaasup golongan sumber primer,hartina ditulis dina jaman waktu kajadiananalumangsung . Historiografi tradisional golongan sum-ber primer nu nyaritakeun husus ngeunaan KarajaanTalaga teu aya, tapi aya naskah anu nyaritakeunKaraja an Sunda anu nyabit-nyabit Karajaan Talaganyaeta Naskah Sewaka Darma (ditulis abad ka 16),Bujangga Manik (ditulis abad ka 15), SanghiyangHayu (ditulis abad ka 16 atawa ka 15). Jeung CaritaPurwaka Caruban Nagari (ditulis taun 1720). Aya ogesumber-sumber sekunder nyaeta Sajarah Panjalu nuditulis taun 2007, sumberna tina Babad Panjalu nuditulis abad ka 20. Nyaritakeun Karajaan Panjalujeung nyebut-nyebut hubunganana jeung KarajaanTalaga.

Sumber tertulis nu husus ngungkabkeun ngeuna -an Karajaan Talaga. Nyata Sarsilah Sajarah Talaga nuditulis ku Rd. Moh. Samsuddin taun 1975. Sumberanu kaasup golongan sumber sekunder ieu disusundumasar kana Sajarah/Babad Talaga nu ditulis ku A.Acap Kartadilaga pangsiunan Kuwu Talaga Kulon(1921-1948) babarengan jeung R. Suherman Marta -kusumah pangsiunan PNS jadi komisi Sajarah Kabu-paten Majalengka. Kalungguhan eta dua tokohdisahkeun ku Bupati Majalengka Noer Atmadibrata 4Juni 1956 nu netelakeun yen Sajarah Talaga saluyujeung sajarah anu aya di Kabupaten Majalengka(Samsudin 1975).

Buku anu disusun ku R. Muh. Samsudin sumbernasarua hasil wawancara jeung akina nyaeta R. Karta -dilaga alias R.H. Hasanuddin Kuwu Hormat TalagaKulon Majalengka nu lahir taun 1891. Jeung R.Sastra mihardja alias R. Soebarma (lahir taun 1908)minantu R. Kartadilga carogena Nyi R. Madinah,turu nan Pangeran Sacanata ti Panjalu anu nikah kaRatu Tilarnagara turunan Raja Talaga, oge hasilwawancara jeung sesepuh turunan Prabu Darmasutjiti Talaga.

Kulantaran sipatna anu nyampur-adukeun antarasajarah, sastra jeung mitos, jeung upama sumber kaa-sup golongan sumber sekunder, digunakeunana sum-ber-sumber naskah kudu diajen sacara kritis. Dina etatulisan henteu digunakeun sumber naskah anukontro versial saperti naskah Wangsakerta, sanajanngungkabkeun carita anu cukup lengkep ngeunaanKarajaan Talaga.

Sajeroning kitu, anu dimaksud titinggal arkeologinyaeta situs-situs kuno anu biasana corakna megalit(batu-batu baradag), arca, prasasti. Makam-makam

kuno, barang-barang anu ngandung sajarah golonganbarang cagar budaya.

Di Tatar Sunda situs-situs arkeologis dikenalnaMulti component sites atawa Situs anu aya lajuninglakuna, atawa situs anu diwangun jaman prasajarah,bisa bae ngalaman parobahan peran jeung fungsinasaluyu jeung parubahan kabudayaan. Jadi, aya situsmegalit anu dina jaman Hindu dilakukeun parubahansaluyu jeung budaya Hindu, terus waktu Islam asup,nya disaluyukun deui jeung kabudayaan Islam.

Historiografi Jeung Titinggal ArkeologisNurutkeun sajarah Babad Talaga , Karajaan Talaga

anu perenahna kiduleun suku gunung Cireme ieu,puseurna sabudeureun situ Sangiang (Samsudin,1975, 1-20). Dumasar kana titinggal arkeologis nu ka-pangih di situs Gunung Bitung jeung nurutkeun in-formasi tina naskah Sewaka Darma ieu Karajaancorakna Budhis. Karajaan Talaga mangrupa karajaanbawahan Karajaan Sunda nu puseurna di Kawali,corakna Hindu. Ayana perbedaan ieu narik perhatiansabab dumasar kana naskah-naskah Sunda kuno etadua karajaan boga tatali kakarabatan.

Aya rupa-rupa versi ngeunaan asal usul KarajaanTalaga ieu. Dina naskah Sarsilah sajarah Talaga nudisusun R. Muh. Samsudin dicaritakeun ngeunaanRatu Ajar Sukaresi nu putrana dalapan, nyaeta Hari-ang Banga, Prabu Marajasakti, Ciung Wanara, RatuPagedangan, Prabu Ciptapermana, Batara Gunung Pi-cung, Ratu Permana Dewa, Bleg Tambleg RajaKuningan. Batara Gunung Picung saterusna kagu -ngan putra putu jeug buyut nyaeta Sunan Cungkilak,Sunan Benda, Sunan Gomban, Ratu Ponggan SangRomahiyang jeung Prabu Darmasuci nu Jeneng RajaTalaga kagungan putra dua, nu cikal BagawanGarasiang nu jadi patapa, kagungan putra Ratu PutriMayangkarana nu ditikah ku Mundingsari Ageungputra Prabu Sliwangi ti Karajaan Sunda di Pajajaran.Nu ka dua Prabu Darmasuci nyaeta Sunan Talaga-manggung jeneng Raja di Talaga (Samsudin 1975).

Dina versi sejenna dicaritakeun yen Raden CiungWanara kagungan tujuh putri, di antarana RadenPurbasari anu ditikah ku Raden Guruminda (LutungKasarung) Purbasari-Guru Minda kagungan duaputra nyaeta Prabu Linggahiyag jeung Prabu Darma -rehe.*** hanca

*) Saperti anu diungkabkeun ku Prof. Nina Lubis,Etty Saringendyanti, Undang Ahmad Darsa, Mifta -hul Falah. Dina Buku “Sajarah Karajaan Talaga”.

Page 15: Mangle 2474

Manglé 247414

MMunara Cahaya

Harti sukur nimat, nyaétamiara sarta ngamangpaat -keun sakur paméré, luyu

jeung maksud anu méréna. Pang-pangna sukur nimat kana anugrahkurnia Alloh SWT ka umatNa, nutan wilangan.

Salila umat sukur nimat, AllohSWT baris ngajaga miara étanimat. Malah leuwih ditingkatkeunti waktu ka waktu, ti generasi kagenerasi (Q.s. Ibrohim : 7).

Alloh moal ngarobah kaayaanhiji bangsa, sapanjang éta bangsahenteu barobah sikepna, tina sukurnimat jadi kufur nimat (Q.s. ArRo’du : 11).

Dina Alqur’an, réa dicaritakeun,riwayat bangsa katut nagara anumaju, mamur, aman raharja.Malah bari pinuh ku pangampuraAlloh SWT. Bangsa katut nagara nukatelah ”Baldatun Toyyibatun waRobbun Gofur” (Q.s.Saba : 15).

Dicontokeun ka nagara Saba,nu kaunggel dina Q.s. Saba : 15-21.Dina sawatara tafsir Alqur’an,ditétélakeun, Nagara Saba gumelarantara taun 2000 saméméhMasehi nepi ka taun 300 Masehi.

Salah saurang raja Nagara Sabaanu kamashur, nyaéta Ratu Bilqis,nu narima dawah tauhid ti NabiSulaéman As (Q.s. an Naml: 17-44).

Wangun rupa Nagara Sabadigambarkeun dina surat Saba ayat15. Tempat pamatuhanana dilingkung ku pakebonan nu suburtur éndah. Sumber rejeki kahiru-pan gemah ripah loh jinawi, amanraharja, kebek ku anugrah nimatAlloh Anu Maha JembarPangampura na.

Lantaran sapanjang jalan,raweuy beuweungeun rambayalaeun, cai hérang ngagenyas cur-cor di ditu di dieu, nyugemakeunsaha baé anu halabhab, atuh sakurnu sumaba, tara ngarasa capé.Malah lalampahan ti hijiwewengkon ka wewengkon séjén,tara karasa jauh jeung kesel, dasumanding kabetah.

Nu jadi sumber kasuburmamu-ran Nagara Saba, nyaéta bendu -ngan Ma’arib. Dua gunungjangkung ngalanglaung, diben-dung. Nepi ka bisa nadah cai réapisan. Sakali hujan dina sausum,mahi keur tilu tauneun nyumpo-nan bubutuh sapopoé, boh keurrumah tangga, boh keur irigasi.Urang Saba titén pisan ngarumatbendungan jeung solokan irigasi,kalawan ihlas dina raraga sukurnimat ka Alloh SWT nu geus mapa -rin kabisa ka luluhur bangsa Sabapikeun ngawangun bendungan

badag tohaga nu bisa diwariskeunka generasi-generasi sapan -deurieun ana.

Rébuan taun, urang Sabapinanggih kanimatan hirup.Lubak-libuk dahareun, hojih inu-meun, katut kasenangan séjénna.Dibarung ku kasadaran pikeuntunduk patuh nyumponan sagalaparéntah Alloh SWT, sakaligusnying kahan anu dilarang kuAnjeun na.

Tepi ka hiji mangsa, maranéhnaingkar. Marudah. Hayang manggihparobahan kasenangan nu lain-lain, nu béda ti ayeuna. Perjalanansenang singget, hayang dianggang -keun. Bendungan Ma’aribdimomoré keun, sabab maranéhnangarasa bakal leuwih maju ku hal-hal séjén nu dibayangkeun alusnajeung genahna ti batan nu ayeuna.

Nya maranéhna ngabalieur.Ing kar tina katakwaan ka AllohSWT. Atuh gebrah baé bendunganMa’arib bedah. Der banjir rongkah.Ngaléléd pakotaan, pilemburan,katut pakebonan nu pinuh kubungbuahan ngareunah. Basa ban-jir saat, kabéh geus robah. Geustaya pakebonan héjo lémbok. Ting-gal sababaraha tangkal carucukannu buahna pait molélél, daunnasegak pahang. Bangsa Saba nuasalna beurat beunghar sugihmukti, buriak ngarungsi ka mana-mana. Nagara éndah geus musnakari ngaran jeung panineungan.

Bangsa katut nagara séjén, nu

Tina Sukur Nimat kana Kufur NimatKu H. Usép Romli HM

Page 16: Mangle 2474

15Manglé 2474

asalna maju jugala berkah sukurnimat, ancur lebur sanggeusmaranéhna ngarobah sikep sukurnimat ku kufur nimat. Kayaning‘Ad, Tsamud, Madyan, Firaun,jjrd., nu ngaran katut kisahnadibéjérbéaskeun dina Alqur’an.

Sajaba ti dina surat Saba : 15-21tadi, réa deui ayat Alqur’an nunétélakeun, balukar kufur nimat.Upamana baé, dina surat an Nahlayat 112 :

Nu hartosna: “Alloh parantosngadamel conto ku hiji nagri anutadina aman tengtrem kerta ra-harja, rejeki ngaleuya bru di jurubro di panto ngalayah di tengahimah, daratang ti saban tempat,kari-kari pangeusi éta nagri kufurkana nimat-nimat Alloh, nyapangeusi éta nagri téh ku Allohditibanan kalaparan jeung kasieun,alatan saniskara (kufur nimat) nudipilampah ku maranéhna.”

Mun sukur nimat geus sirna, di-ganti kufur nimat, sakabéh bangsajeung nagara, baris tigebrus kanajurang kaancuran (Q.s. Ibrohim:28).

Kangjeng Nabi Saw, hadis riwa -yat Imam Abid Dunya jeung Tob -roni, nétélakeun, yén ka umatIslam baris kakeunaan panyakit nutumiba ka sakumna umat. Nyaétanu disebut “al asyir”. Panyakitkufur nimat. Ieu panyakit barisngarekahan. Nimbulkeun panya -kit-panyakit anyar. Kayaning “albator” (milampah sakarep-karep,tunggul dirurud catang dirumpak),

“at takatsur” (numpuk-numpukharta kakayaan ku cara naon jeungkumaha baé), “at tanafus” (pahibutmuru untung, kajeun sili siku silibintih, saingan, konkurénsi teuséhat), “at tabagud” (silipikaceuceub), “at tahasud” (silipikadengki), “al baghyu” (sili -kakalakeun, silihualkeun, sili-dolim). Ditungtungan ku “alhoroju” (silipaténi, béntrokan mas-sal, perang bébéakan).

Mahabuna kufur nimat,nyingkir keun sukur nimat, ieu ogémangrupa akibat teu jalanna proses“amar ma’ruf nahyi munkar” (nga-jak kana kahadéan, nyegah ka-mungkaran). Réa jalma (kaasupumat Islam), kabeulit ku pahamindividua listis. Kuma karep. Kajeu-nan. Padahal, hirup kumbuh umatIslam mah, nyoko dina prinsip“amar ma’ruf nahyi munkar” . Sili -élingan. Siliingetan. Sili tungtunkana jalan kahadéan. Sili jagasangkan henteu kababawa ku sa -kaba-kaba ngarempak halal-haram.

Nanjeurkeun “amar ma’ruf

nahyi munkar” mangrupa hiji pili-han tina dua pilihan penting.Dawuhan Kangjeng Nabi Saw, pékpilih antara migawé “amar ma’rufnahyi munkar”, atawa Alloh bakalnempatkeun jalma dolim kuma -wasa di ieu dunya. Mun geus kitu,hég para kekentong ngadu’a(sangkan dibébaskeun tinakadoliman éta pamingpin), du’anamoal diijabah ku Alloh SWT.

Muga-muga urang, kulawargaurang, masarakat jeung bangsaurang cangreud pageuh ngukuhansukur nimat. Dijauhkeun tinakufur nimat katut sagala balukarnanu baris tumiba.

“Ya Alloh, mugi Anjeun mapa -rin ilham ka abdi pikeun teteptumetep dina sukuran kana ni’matanu parantos dipaparinkeun kaabdi, ka indung bapa abdi, sangkanmidamel amal soléh nu dipikaridoku Anjeun, sareng kalawan rohmatAnjeung, mugi abdi dilebetkeunkana réngréngan hamba-hambaAnjeun nu saroléh (Q.s.an Naml :19).***

internet

Page 17: Mangle 2474

Manglé 247416

TTanyaJawab

Patarosan :Ais pangaping Tanya Jawab Munara

Cahya anu dipihormat. Tumaros, nahakénging saupami sadaya harta urang di-hibahkeun atawa diwasiatkeun sadayanaka nu jadi anak atawa incu?. Haturnuhun.

CinunukCileunyi Bandung

Waleran :Upama teu lepat, patarosan bapa aya

patalina sareng hukum waris. Supadosnyambung, saéna urang pedar heulakadudukan hukum waris sok sanaos ieuhukum waris Islam téh, dina prak-prakanana mah, seueur nu nga-balieurkeun. Alatan kitu deui, henteusakedik harta warisan sok jadipacéngkadan di antara ahli waris. Malihaya nu silih musuhan jeung dulur, lan-taran parebut harta warisan. Ku kitunaperlu didugikeun, yén ajaran Islamparantos masihan katangtuan anu tegestur jéntré ngeunaan masalah harta waris.

Kantos dina édisi-édisi kepengker nunerangkeun hukum waris. Urangsakedik pedar deui, étang-étang kanggongandelan deui élmu pangaweruh Islampara mitra Manglé. Di antara katangtuannu pakait sareng hukum waris, dumasarkarana aya hiji jalmi anu maot. Kitu deui,ahli waris anu leuwih ti heula kudu di -urus tina harta warisna nyaéta biayakeur mulasara, ngalunasan hutangna(saupama ninggalkeun hutang), terasngalaksankeun wasiatna (saupamaningalkeun wasiat), saupama hartanamasih aya sesana kénéh, kakara dibagi-bagikeun ka sadaya ahli warisna.Anapon nu jadi sabab jadi ahli warisnyaéta: Kahiji, karana nasab (turunan).Pidawuh Alloh: “Jeung jalma-jalma anungabogaan hubungan getih, maranéhnaleuwih hak pikeun silih waris” (QS. Al-Ahzab: 6). Kadua, wala’ nyaéta rasa sim-pati budak (hamba sahaya) anu tosdimerdékakeun ka jalma anu

ngamerdékakeunana. Pidawuh Rasul:“Saéstuna wala’ mangrupa dulur sapertidulur anu sa-nasab” (HR. Hakim sarengBaihaqi). Katilu, alatan aya pertikahan.Pidawuh Rasul: “Mangka pikeun aran-jeun (salaki-pamajikan) saperduana tinaharta anu ditingalkeun ku istri-istri aran-jeun.” (QS. Al-Nisa: 12).

Terus nu ngalantarankeun hiji jalmingahalangan teu narima warisan, nyaétaalatan manéhna nelasan jalma, bédakayakinan (agama), sareng budak(hamba sahaya), sabab hamba sahayajeung hartana, duanana jadi milikdununganana. Sedengkeun nu hak jadiahli waris ti pihak lalaki nyaéta: (1) Anaklalaki, incu jeung saterusna ka handap;(2) Bapa, aki jeung saterusna ka luhur;(3) Dulur, anak dulur jeung saterusna kahandap; (4) Emang, anak emang jeungsaterusna; (5) Salaki jeung lalaki anungamerdékakeun hamba sahaya. Terasanu jadi ahli waris ti pihak istri nyaéta:(1) Anak awéwé, incu awéwé ti anaklalaki jeung saterusna; (2) Indung jeungnini; (3) Dulur awéwé; (4) Pamajikan;(5) Awéwé anu ngamerdékakeun hambasahaya.

Jalma-jalma anu hak narima warisanaya tilu golongan, nyaéta: (1) Nu tos di-tangtukeun bagianana (dzawil furudh);(2) Ashabah; (3) Ulul Arham. Bagian-bagian anu tos ditangtukeun dina al-Quran (dzawil furudh) nyaéta:

a. Nu narima satengah (saperduatina harta titinggal istri), nyaéta (1)Salaki lamun henteu ningalkeun anak.(2) Anak awéwé. (3) Incu awéwé. (4)Dulur awéwé saibu sabapa jeung dulurawéwé anu sabapa.

b. Nu narima saparapat nyaeta: (1)Salaki lamun istri nu maotna ningalkeunanak. (2) Istri, lamun salaki anu maotnahenteu ningalkeun anak. c. Nu narimasaperdelapan, nyaéta istri dimana salakianu maot ningalkeun anak. d. Nu narimadua pertiga, nyaéta: (1) Dua anak awéwé,jeung incu awéwé ti anak lalaki. (2) Duadulur awéwé anu saindung sabapa, jeungdua dulur awéwé anu sabapa. e. Nunarima sapertilu, nyaéta: (1) Indung,

lamun henteu kahalang (mahjub). (2)Dua dulur saindung (dulur téré) jeungsaterusna. f. Nu narima sapergenep,nyaéta: (1) Indung, lamun si mayitningalkeun anak atawa dulur leuwih tisaurang. (2) Nini, lamun si mayit henteuningalkeun indung. (3) Dulur sauranganu saindung, lalaki atawana awéwé. (4)Incu awéwé, lamun si mayit ningalkeunanak awéwé saurang. (5) Dulur awéwéanu sabapa, lamun si mayit ningalkeunsaurang dulur awéwé anu saindungsabapa. (6) Bapa, lamun si mayitninggal keun anak. (7) Aki, lamun simayit henteu ningalkeun bapa.

Anapon bagian-bagian anu katarimaatawa nu kalebet “Ashabah” sareng “UlulArham”, langkung écésna tiasa di-uningaan dina ilmu fiqih bab waris,atanapi dina buku nu husus ngajelas -keun masalah waris anu disebat “IlmuFaraidh”.

Lajeng patarosan perkawisngahibahkeun harta ka anak wungkul.Pikeun ngawaler ieu patarosan, saénakanyahokeun heula tilu masalah anupatali sareng ieu masalah, nyaéta waris,wasiat, sareng hibah. Waris,katangtosan ana sakumaha anu parantosdipedar di luhur. Wasiat nyaéta hartaanu dipasihkeun ka salian ti ahli waris,maksimalna mung sapertilu tina saka -béh harta anu dipimilik. Wasiat ayasami na sareng waris, nyaéta henteu bisadipimilik iwal anu gaduhna, tosngantun keun.

Anapon hibah meunang dipasrah -keun ka saha waé, ka ahli waris atawalian ka ahli waris, sareng teu aya wate-san minimal atawa maksimal. Malahcek sanépana, sadaya hartana (100%)dihibahkeun ogé, henteu naon-naon.Mung saéna upama ngahibahkeunharta, teu kénging langkung ti saper-tilu hartana nu dipimilik, kitu ogésabada aya kamupakatan ti para ahliwaris. Nu paling penting, kedah terangbéntenna wasiat sareng hibah. Sakitu,mudah-mudahan ageung mangpaatna.Wallohu ‘alam.

***

Sadaya Dihibahkeun

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle 2474
Page 19: Mangle 2474

Manglé 247418

CCarita Pondok

Ti Frankfurt Mulangka Garut

(tamat)

Carpon Evi Fuji Fauziyah

Ceunah 55 menit deui pe-sawat take off. Manéhnamasih diuk dina bangkutunggu, nyuruput kopi ha-neut tina cup nu tulisannaStarbuck. Jelema euweuh

eureunna lalar-liwat, nu karék turun na pe-sawat, nu dék naék, rupa-rupa pisan, bogatujuan jeung urusan masing-masing. Kaciriaki-aki bulé maké topi loréng kaluar ti ger-bang D ngagusur koper gedé 24 inci warnahéjo botol. Dipapag ku nini-nini nu buuknabodas péang nu ngacung-ngacung kertaskarton ukuran 30x40 cm, tulisanna “Wel-come home my husband”. Duka tas ti manasi aki téh, da si nini ba ngun nu sono pisan,ti mimiti papanggih nepi ayeuna leumpangkaluar ti bandara kacirina pagégéyé sigapangantén anyar nu karék dirapalan.

***Kuring leumpang lalaunan ngadeukeu-

tan kafe. Manéhna ngalieuk, paadu teu-teup. Riksa ngejat langsung kaluar murukuring nu leumpang beuki ngalaunan.Masih di harepeun kaffe der Movenpick,Riksa ukur ngajanteng ha reupeun. Kuringtungkul, manéhna teu lemék sakecap-kecapacan. Euweuh éksprési nu bisa diungkap-keun ku kuring, asa teu manggih kekecapan

Page 20: Mangle 2474

19Manglé 2474

nu mantes keur paguneman,jadina ngaheneng salila-lila.Pon kitu deui manéhna,pasti ngarasakeun nu sarua.

Nu satadina méja deu -keut jandéla téh ukur didiu -kan manéhna, ayeuna mahkuring gé milu diuk. Paha -reup-hareup jeung manéh -na. Es Capuccino nu dipang mesenkeun keur kuring geusdatang. Manéhna melong,seuri, tuluy pok ngomongmuka carita.

“Alis damang? Teu pen-dak sataun satengah téhmeuni pangling, éta rambutbeuki panjang, ngan asabeuki begang nya ayeunamah,” pok manéhna nga -lubarkeun suasana.

“Capé teuing panginten,da di dieu mah unggalminggu téh kudu wéngumpulkeun makalahpanalungtikan. Gara-garabegadang cigahna mah,”walon kuring bari imut leu-tik, tuluy kop kana cangkirIce Capuccino dina méja.

Ti dinya tuluy sagala di-caritakeun, ilaharna duasobat nu geus lila teu pa-panggih karék panggih deui.Nepika teu karasa waktugeus maju ka soré. Nu dio-brolkeun téh rupa-rupangeunaan kondisi kantor,kuliah kuring, tujuan ma -néhna ka Jerman keur nga-hadiran konferensi Astrono mi Internasional salakuwawakil ti Indonesia diBerlin, jeung nu hampir kukuring dipohokeun, Misna.

“Alis terang teu Misnaayeuna mah tos teu di LANdeui damelna. Dialihkeun kaLIPI (Lembaga PenelitianIndonesia) , saurna nujungabutuhkeun staff adminis-trasi nu saé.”

“Kantenan atuh, apankapuji pisan ku Bos Hando -yo ogé, padahal budak eng-gal.”

“Muhun, tapi kan béntensareng urang nu gerak dibidang panalungtikan.Manéhna mah ngan

adminis trasi hungkul, lulu-san Administrasi deuih nyaotomatis jagona.”

Kuring ukur ngajawabku imut, suruput deui kanakopi, ayeuna mah geus teukarasa nyelecep tiis cigahtadi, es-na geus cair.

“Lis ... akang jeungMisna tos lami atosan. 4bulan ti Sabada Alismangkat ka Jerman.”

Kuring ukur unggeukbari masih kénéh nyuruputcikopi tiis, sabenerna bi -ngung ogé kudu ngajawabnaon. Tuluy manéhna ne -ruskeun caritaan.

“Kahiji mémang Akangjeung manéhna téh bédagaya hirup. Akang mahsaaya-aya kieu. Misna mahméh unggal minggu méntadianter ka Plaza Indonesiameuli sapatu atawa bajuanyar keur ngantor téh.Ngarti sih akang gé, damanéhna mah geus lilahirup di Jakartana, cacagnamah geus jadi urang kota.Séjén jeung Akang kaJakarta téh ngan ukur gawé,manéhna mah apan ti bubu-dak di dinya na téh. Nepi kasakola, kuliah, gawé gé didinya.

Kadua, Alis apal sorang -an indung bapak akang mahteu pati resep ka awéwé kan-del wedak. Dina hartian lainteu resep awéwé dangdan,tapi teu resep mun étaawéwé gawéna ngan dang-dan hungkul.

Katilu manéhna keukeuhhayang geura tunangan,terus péstana ogé hayang diHotél Indonésia atawa mini-mal di Jakarta ConventionCenter ceunah lis. Déksabarahaeun waragadna,karék tunangan éta téh lis,acan engké nikahna? Mé-mang mahi sih gajih akanggé, tapi da lain éta kan uda-gan urang mah. Komo di ku-lawarga akang mah teu nga nut paham tunangan, nu ayalangsung dirapalan.

Kaopat, kalima, jeung

saterusna mémang loba halnu teu cocok antara akangjeung manéhna. Katambahmimiti gé Alis apal niatakang bobogohan jeungnéng Misna téh gara-garabarudak kantor jail sarupa siAnto, Rudi, jeung Hakim.Apan harita téh paboro-boroning, saha nu bisa ngajakMisna si anak baru nongton,éta nu meunang taruhan, teupira hadiahna gé flash diskbentuk rokét. Ari pék akangnu diajak nongton tiheula kuMisna, atuh puguh akang numeunang taruhan. Ngangara-gara éta ogé mimitinamah, Akang jeung Misnajadi deukeut tuluy bobogo-han. Tapi teu lana, pokoknaAlis indit ka Jerman. Akangenggeusan jeung Misna.”

*** Jarak Berlin – Heidel-

berg téh lumayan jauh. Nganangger wé manéhna keu -keuh hayang datang ka dieu,hayang nyaho kampus ku -ring ceunah. Poé ieu pisanmanéhna datang, lumayanaya waktu reureuh dua poé,Sabtu Minggu hayang di-paké ulin kadieu, hayangnyaho Heidelberg, kitu ceu-nah ceuk manéhna dinaemail téh. Ayeuna kuringkeur nungguan di stasiunkota, kareta ti Berlin bakaldatang 5 menit deui, ma -néhna keukeuh méntahayang dijemput padahalkuring geus méré alamatjéntré kaféna Téh Ranti, ren-cana téh papanggih di dinyawé. Lalaki jangkung nukulitna hideung santen téhturun tina lokomotif nukadua, mawa ransel, jeungjingjingan tina kertas karton.Kuring geus teu kudu da -dah-dadah, cukup ku diukdina bangku ieu gé, ma -néhna tangtu nyampeur -keun. Saperti ayeuna,ujug-ujug manéhna diuk gi-gireun.

“Tos lami ngantosanLis?” tanya manéhna,beung eut bear marahmay.

“Lumayan, aya meureun10 menit mah,” walon ku -ring bari ngecek arloji.

“Yeuh oléh-oléh tiGarut,” manéhna ngasong -keun kantong jingjingantadi.

“Naon ieu téh kang? Ahmeuni rariweuh sagala.”

“Chocodot karesep Alis.”Kuring ukur imut,

chocodot coklat ti Garut téhku kuring dicokot tina kan-tongna. Bungkus tulisannatéh “Chocodot, Coklat En-teng Jodoh”. Nempo tulisanéta kuring tuluy protés kamanéhna. Ceuk manéhna,méh enyaan énténg jodocenah, sugan atuh balik tiJerman téh beubeunangan.Jodo umpamana. Kuringjeung manéhna hereuy silihhina saperti biasa, cigah ba-heula basa saméméh kaja-dian tiket nonton filmGravity.

*** “Eleuh eleuh, ieu ning

Akang Riksa téh. KenalkeunRanti.” Ceuk Téh Ranti mi-heulaan basa kuring jeungmanéhna karék gék pisandina korsi di Kaffe der Ranti.

“Tétéh terang ti mana?Alis sok nyaritakeun nyatéh? Enya sok kitu damanéhna mah, ngomong -keun kuring di tukang. Téh,Alis di dieu gaduh kabogohteu? Hahaha,” ceuk Riksasarua ngajawab bari hereuy.Kuring mah ka kasir mesenkopi tuluy mayar.

“Kabogoh nya lis?” ceuktéh Ranti bari melong kakuring tuluy nyengir.

“Kabogoh mah dukaatuh nya Riksa, tapi pamegetnu sok diajak ka dieu mahaya.”

“Ih tétéh saha oge? Étamah babaturan kelompokproyék di kelas, si Samir,”ceuk kuring ngajawab.

“Tapi lucu da budaknatéh, kasep, pinter, bageur,sopan. Urang India nya Lis?”ceuk Téh Ranti kalah maliknanya ka kuring.

Page 21: Mangle 2474

Manglé 247420

“Jadi Alis dek jadi urangIndia yeuh? Moal jadi urangGarut?” ceuk manéhna nga-heureuyan.

“Hih, apan Alis ti Garut,nya jelas urang garut lah.”Ceuk kuring ngajawab barijebi. Tuluy heureuy, gogon-jakan antara kuring, téhRanti, jeung manéhna.Akrab. Cigah dulur nu geuslila pajauh, kumpul di imahlantaran acara lebaran. Deuhlebaran, geus dua usum ku -ring teu lebaran di lembur.Tapi teu nanaon nya Ambu,Apa, da unggal poé ge Alismah sok nelepon tina skype.Jadi teu asa jauh jeung leu -ngiteun.

***Angin ngagelebug gedé,

cai di leuwi leutik nu hérangngagenclang terus ngamalirka hilir. Soang ngarojaykukucuprakan jigah bidadarinu silih simbeh dina caritaJaka Tarub. Kuring masihnyerangkeun soang tinaluhur jembatan Old Bridge.

“Heidelberg seger nya,énakeun. Jerman ogé nagaranu tengtrem jeung rapih.Paingan Alis betah cicing didieu da geuning sakieu én-dahna,” ceuk manéhnangalubarkeun lamunan.Kuring ukur ngajawab kuunggek, masih kénéh kasimaku soang nu laleutik nucigahna téh keur diajar ngo-jay.

“Alis teu sono ka Ambujeung Apa di lembur?” tanyamanéhna.

“Sono atuh kang. Tos sa-taun satengah Alis teu uih kalembur...”

“Ari kitu? Uih atuh, tongcicing waé di dieu.”

“Muhun badé, malahbulan ieu pisan Alis badé uihtéh. Pas libur semester dugika Februari. Bari jeung Alisbutuh wawancara ka pataninu aya di lembur, utamananu aya di Kabuyutan Galunggung, aya data tésis nu kududilengkepan.”

“Iraha rencana uihnalis?”

“Pertengahan Desemberlah. Hoyong reureuh heulasaminggu sabada ujian nudilaksanakeun minggu ieu.”

“Atuh langsung wé uihberes ujian, jadina ka Indo -ne siana bareng jeung akangsa-pesawat. Lumayan kanaya batur ngobrol. Jadi hen-teu hulang-huleng teuingsalila 12 jam na pesawat téh.Hehehe.”

***Pesawat Garuda Indone-

sia geus mimiti take off. Ku -ring tipepereket muntangkana sisi jok pesawat, nga -dua kanu kawasa sangkanperjalanan Frankfurt –Garut aya dina kalancaran.Manéhna diuk gigireun ku -ring, panonna peureum,leungeun sidakep dinaangen, sigahna téh keurngadoa jeung ngararasakeunbadan pesawat nu mimitinaék ka angkasa. Nu en-gkéna ngawang-ngawang dilangit. Kuring neuteup kagigir kana jandéla, katingalibandara Frankfurt mimitingaleutikan. Komo jelemanu di jerona mah geus moalkatingali. Moal bisa deuiningali nu lalar liwat sigahtadi, ningali nini jeung aki nupagégéyé duaan. Ningalibangku urut kuring jeungmanéhna diuk basa nung-guan waktu check in. Ayeunamah kuring geus di dieu,dina jero pesawat, diuk di gi-gireun manéhna nu mémangdék balik sabada ngaréng -sékeun tugas di Berlin. Ku -ring dék balik ka Garut,tepung sono jeung indungbapa, bari rék ngumpulkeundata keur tesis.

“Alis tingali ieu saégeura,” ceuk manéhnaningalikeun katalog majalahnu aya gambar kalungawéwé. Ku kuring jandelapesawat di tutup, serab, keurpanas poé.

“Saé muhun. Badé meser

kang?”“Hahaha, henteu atuh,

ngan hoyong ngobrol jeungAlis. Bonganna anteng waéneuteup jandéla,” ceukmanéhna sajalantrahna.

“Lis, 2 bulan deui ulangtaun kan? Masih di Indone-sia?”

“Masih, da uih deui kaJermanna Februari akhir.”

“Nu kasabaraha Alisulang taun téh?”

“30 taun.”“Ehh geuning tos kolot

nya Alis téh, hahaha.”“Hih kolotan saha jeung

akang?”“Ah pira gé béda opat

taun, angger wé saumur.Nya nya nya.” Ceuk manéh -na ngaheureuyan kuring.

“Lis ... kersa teu maturanAkang?”

“Kamana kang?”“Ngambah sagara

kahirupan rumah tangga ...”ceuk manehna laun tapi jen-tré. Teuing kudu kumahangajawabna.

Bener ceuk Téh Ranti,lalaki mah hésé diteguh naonkahayangna. Ayeuna, didieu, 30.000 kaki di luhurméga kuring dilamar kusobat sorangan, Riksa. Eu-weuh kekecapan nanaon,iwal ti doa. Puguh ti baheulagé hayang panggih jeungjodo, bébélaan teu bobogo-han da kuring mah mémanghayang manggih jodo nupasti, ari pék ayeuna sobatsorangan ngajak kawin.Naha enya Riksa téh jodokuring?

Pleng ... ingetan lumpatka mangsa nu geus kaliwat.Tawaran gawé di LAN, basamimiti panggih dina beus,sosobatan sakitu lilana,Misna, ka Jerman kuliah, dibandara Frankfurt duaminggu ka tukang, ayeuna didieu di pesawat manéhnangomong kitu?

Butuh waktu nu teusakedeung keur nimbang-nimbang rasa mah. Sieun

salah léngkah dina nyieunkaputusan. Sieun nyeri haté.Kuring api-api ka cai heula.Ngahuleng sakeudeung dinalavatory pesawat téh. Ngacasalila-lila. Neuteup beungeutkalawan teleb.

Geuning beungeut téhgeus teu ngora deui, baheulamah asa euweuh kerutan dadina kongkolak panon téh.Dua bulan deui kuring ulangtaun nu ka 30.

***Garut, kiwari.“Cep Riksa Danubrata,

bapak nikahkeun hidep kaputri teges bapa, Alis AmaliaTurangga binti Haji JejenAhmad Turangga ku maskawin perhiasan emas diba-yar kontan.” Ceuk Bapa ku -ring atra bari nyekel lengeunkang Riksa nu ayeuna diukgigireun kuring.

“Nampi abdi nikah kaAlis Amalia Turangga bintiHaji Jejen Ahmad Turanggaku mas kawin perhiasanemas dibayar kontan,”ditema langsung ku kangRiksa kalawan yakin.

“SAHHH...” ceuk parasaksi jeung para hadirin nuaya di dinya.

Barakallahulaka wabaroka ’alaika wa jama’abainakuma fikhoir ... Sorapa lebe ngagalindengkeundoa pangantén, ngabagéa -keun kuring jeung KangRiksa nu resmi jadi pangan-tén anyar, jadi salaki pama-jikan.

Bérés dirapalan kuringjeung kang Riksa di diuk -keun dina korsi pangantén.Jadi inget baheula, mimitikenal diuk pagigir-gigir dinakorsi beus. Ayeuna sanggeus7 taun ti kajadian éta kuringjeung manéhna angger diukpagigir-gigir, lain dina beustapi, ayeuna mah dina korsipangantén. ***

Bandung,April 2014

Page 22: Mangle 2474

21Manglé 2474

yi, an-teur keunkoleksarengema-meun

ka Ma Karsih, jug!” soantenUmi ti dapur. Sebel ka Umitéh. Sakieu geus gedé, geusngalanglang ka mancana-gara, angger wé sok nyebutNyai. Piéraeun.

“Geuning unggal sontensok dianteuran ku Umi?

Sanés bumi Bi Yoyoh gigir -eunna?” témbal téh baricengkat, laju nyampeurkeunUmi di dapur.

Atuda enya, imahna téhngaréndéng jeung imah pu-trana, Bi Yoyoh. Nu Bi Yoyohmah geus permanén, malahkaitung agréng. Hareupeu-nana, maksud téh hareup -eun imah Bi Yoyoh da imahMa karsih mah nyanghare-upan masigit, imah MangTardi, lanceuk Bi Yoyoh.Sarua permanen, jeung alus.

Sasat diriung ku anak-anakna, Ma Karsih mah.

“Lah, da ngaréndéngjeung anak ogé teu ngajaminkaurus dahar pakéna. Sok wégeura anteuran ku Nyai, méhapal kaayaanana,” saur Umideui, bari nutupan baki nupinuh ku ringkok dieusi da-hareun. Kamari mah, basakuring anyaran datang, nunganteuran wayah kieu téhUmi ku anjeun. Meureun bisikuring carapé kénéh urut diperjalanan nu sakitu jauhna.

Sanggeus ngucirkeunbuuk, baki ditampanan. Léosjalan dapur, laju nonggoh.Gok jeung Bi Maryam.

“Ambuiiing.....ieu sahamani lenjang? Kakara kaluar. Rék ka mana Nyai?”cenah angger cawéhwér.

Lantaran keur nanggeuybaki, teu bisa sasalaman.Kuring ukur unggeuk bariimut. “Badé nganteuran kaMa Karsih Ibi, dipiwarangUmi,” témbal téh.

“Heueuh da Si Haji mahsok héman. Ieu gé Ibi rék kaUmi Nyai, sugan kabagéankénéh kolek,” cenah barinyéréngéh.

“Muhun Ibi, seueurraraosan mah. Ngga atuh,abdi ti payun,” cekéng barinuluykeun léngkah.

“Enya mangga,” tém-balna bari tuluy ngungkugmudun ngajugjug ka imahkuring.

Bubuhan di lembur,harieum ku tatangkalan, jamlima ogé asa geus harieumbeungeut. Geus loba nungahurungkeun lampu.Méméh ka imah Ma Karsihtéh ngaliwatan heula imah BiYoyoh. Imahna marakbakcaang. Kaciri ti luar keurngariung sakulawarga dipatengahan. Kuring ngaliwattéh bangun nu teu engeuh -eun. Gok ka imah Ma Karsih.Bet paroék kénéh?

Panto hareupna méléngé.Émpérna masih taneuh, jadikuring laju muru lawang waéhayang geura nunda baki,cangkeul.

“Assalamu’alaikum,”cekéng bari nyurungkeunpanto ku tungtung baki. Braypanto muka, di jero ukurreyem-reyem. Tengah imah,aya nu keur cindeluk, nyang-hareupan bokor wadah seu-paheun. Teu pati sidik kanarupana, da puguh kaayaan

CCarita Pondok

PETENG

“N

Carpon Risnawati

Page 23: Mangle 2474

Manglé 247422

jero imah téh rada poék,kawantu taya lampu sake -nyay.

Nu cindeluk ngalieuk kalebah panto.

“Saha? Asa kakarangadéngé sorana,” soranaalon rada ngadarégdég.

Kuring nyurungkeunbaki rada ka jero. Kalacatunggah. Hiek, bau teu puguhneumbrag kana irung. Rékasup téh ngarengkog. Gékdina bangbarung.

“Abdi Ma, Yulia. Dijuru -ngan ku pun biang, UmiOoy,” témbal téh bari radanahan napas.

“Yulia? Si Kiyul? Ambu-ing, asa geus lila teu amprok.Iraha ti kota?” cenah barimelong jiga nu neges-neges.Tuluy diukna ngésod nga -deukeutan. Kuring hidengngésérkeun baki, bisi kadu-pak. “Yap ka jero atuh,”cenah sanggeus rada deu -keut. Leungeunna ngaraga-mang siga rék nyagap, tapikalah uyup-ayap nyapaanangin. Sidik ayeuna mahkana rupana, da katojo kucahya nu rada caang ti luar.Beungeutna nya sepa nya ce-long. Keur mah geus sakitukarijutna, katurug-turugkuru. Puguh mani jiga ro-rongkong. Buukna camut-mut bodas, sedeng panonnagular-giler teu daék cicing,tapi jiga nu kosong.

“Wios di dieu wé Ma.Naha wayah kieu teu acanngahurungkeun lampu?”cekéng téh bari rarat-rérétnéangan stop kontak. Rék di-panghurungkeun maksudtéh.

“Naha wayah kumahakitu ayeuna?” cenah bari me-long jiga nu satékah polahneges-neges. Tapi panonnatiis, taya cahara.

“Tos badé magrib Ma.Sakedap deui buka. Abdi gédipiwarang Umi nganteur -keun tuangeun kanggo bu -ka,” témbal téh deui barinyurungkeun baki ka pale-bahna. Nepi ka tungtungbaki lalaunan diadu jeung tu-

urna.“Lah teu kudu maké

lampu. Rék dilampuan rékhenteu ogé sarua waé Nyai,geus lolong ieuh!” ceuk soratukangeun, nya teugeug nyagarihal. Puguh wé maningaranjug. Reuwas! Sugantéh euweuh jelema tukang -eun. Geuwat malik. Bi Yoyohngajanteng, beungeutnakereng. Ngora kénéh BiYoyoh mah, geulis deuih.Kuring mah nyebut Ibi sotéhkatalian ku pancakaki, lainpédah geus jiga Ibi-Ibi.

“Eh Ibi. Damang Bi?”Cekéng bari nyolongkrongngajak sasalaman. Puguh tisaprak mulang, kakara am-prok ayeuna.

“Cageur,” cenah pondok,bari nampanan leungeunkuring. Panonna ngarérétkana baki anu diturubankénéh.

“Naon éta Nyi?” cenahangger pondok.

“Kanggo buka Ma KarsihBi. Ti Umi,” témbal téh.

“Mani loba-loba teuing,pira ogé nini-nini, sahuap géseubeuheun. Béjakeun kaEuceu, teu kudu dianteuranwaé dahareun, da ku Ibi ogékaparaban kénéh,” cenahbari kuraweud. Nu dimaksudEuceu ku manéhna téh in-dung kuring sasatna.

“Ah ieu mah pangintenpalay katuang wé Bi, sanésnyangki teu kaparaban kuIbi,” kuring rada ngabéla.

“Nya karep ari kaleuwi-han dahareun mah,” bariléos balik deui ka imahna nubaranang ku lampu. Kuringmolohok.

“Tah kitu Nyai, anak Emamah,” sora Ma Karsih dareu -da. Dirérét, dina romanna nubeuki ngabelegbeg diteureuypoék, aya nu nyéngcélak tinajuru panonna. Cimata.Leketey téh ieu haté.

“Ké atuh Ma, abdi badéngabantun lilin heula. PirakuEma tuang mopoék,” barijung cengkat.

“Teu kudu Nyai, cumahcaang ogé da Ema mah tos

teu ningali. Poék caang saruawaé. Palaur aya seuneu mah,bisi katepak ku Ema, kahu-ruan ké imah ngan sajendil-jendilna téh,” manéhnangahulag.

“Naha atuh teu masanglistrik Ma. Pan tiasa nyolok tiBi Yoyoh,” kuring keukeuhngarasa teu téga.

“Pédah cumah téameureun Nyai, kaolok-oloklistrik, matak katingali hen-teu,” pokna deui.

“Muhun ku kituna mah,mung piraku wé wengi bumiteu dilampuan?” kuringkeukeuh.

Ma Karsih tibang nga -rénghap semu nu eungap.Kuring jadi bingung. Réktuluy cicing maturan, pansakeudeung deui waktubuka. Rék balik, haté teu tégaku Ma Karsih. Kacipta wémeureun dahar mopoék so-rangan. Mana reungit maninapuk, bubuhan deukeut kakebon.

“Henjug Nyai geura balikwaé, bisi buka mantén.Nuhun kituh ka Si Haji,katarimakeun pisan kuEma,” pokna jiga nu ngartikana haté kuring nu sabil.

“Teu nanaon Ema dikan-tun nyalira?” kuring masihbingbang.

“Da biasana ogé nyaliraNyai,” cenah bari nyéréngéh.Gugusina nu semu hideung,atra kabéh.

Geus kitu mah kuringamitan. Bari omat-omatansangkan kabéh bawa kuringdidahar. Ma Karsih tibangunggeuk, bari pok deui-pokdeui nganuhunkeun.

Sajajalan haté maninyarapat ka Ma Karsih. Kutéga anak-anakna. Padahalmah tibang nini-ninisaurang, naon salahna mundirawatan bareng saimah.Meureun dahar pakéna kau-rus. Atawa mun embungbareng saimah, atuh urus-urus témpo daharna wéh.Komo ieu keur bulan puasa.Ieu mah mani teu kolumasang lampu-lampu acan.

Indung titah dahar mopoéksorangan, bari awak béak di-gembrong reungit.

“Da kitu anak ka kolotmahj. Kolot mah ka anak, tileuleutik diusap-usapdinang na-néngné, ulah di -coco reungit sasiki ogé. Sarédikasuran, disimbutan. Ieumah sasatna kolot téh di-parabkeun ka reungit unggalpeuting,” saur Umi basa ku -ring mangadu.

“Mugi-mugi Iyul mahengké teu kitu ka Umi sarengka Apa nya,” cekéng némpas.Sieun disakompétdaunkeun.

“Amiin. Mun deukeut ci-cingna nya, pan ayeuna ogéNyai mah ukur sataun sakalimulang téh,” walon Umi bariimut ngoconan. Kuringtibang nyéréngéh kaéraan.

Isukna, pabeubeurangkuring nguriling ka tatangga,ngadon silaturahmi. Meung-peung aya di lembur.Ongkoh da batur salemburtéh kasebutna masih barayanajan geus laér ogé, sarun-dayan ti luhurna. Bérés ka-papay kabéh, nyimpang deuika imah Ma Karsih. Keurngalangeu dina bangbarungayeuna mah. Kuring diukdina babaléan awi dinaémpér imahna. Pahareup-hareup.

“Saha?” bari ngarérét.Beurang mah sidik pisanwarugana anu pikawatireuntéh. Maké samping jang -kung, teu dibaju. Atuh tak-takna anu kari tulang téhmani kaciri pisan norélak.Awakna geus rada bongkok.Saur Umi mah umurna kana70 taunan leuwih. Tapi canpikun, atuh dédéngéannaalus kénéh. Ngan panonmeureun anu miheulaanpareum téh. Diuk ucanganggé bari nyandingkeuniteuk, hariguna rénghap ran-jug bangun nu capé. Tas tisumur tayohna mah.

“Abdi Ma, Kiyul,” témbaltéh nikukur maké ngaransesebutan manéhna ka ku -ring.

“Beuki geulis meureun

Page 24: Mangle 2474

23Manglé 2474

nya ayeuna mah Kiyul téh.Taun tukang keur Kiyulbalik, Ema geus teu patisidik,” pokna bari nyéréngéh.Waosna anu kari dua sikibari geus daroyong téh kaciripisan. Kuring ukur némbalku héhéh.

“Cenah Kiyul sok min-deng ka luar negri? Ka manawaé?” pokna deui.

“Lumayan Ma, anucaketna mah kantos kaMalaysia sareng ka Singa-pur. Atuh anu tebihna kantoska Cina, ka Jepang, sareng kaEropah. Can kaaprak sa-dayana alam dunya téh Ma,atuda damelna ogé nembésataun,” témbal téh.

“Resep nya jadi pergarimah bisa tumpak kapal kamamana,” cenah sari ngala-mun.

“Sanés pergari Ma, tapipramugari,” témbal téh barinahan piseurieun. Kagugungadéngé ngomongna anubalélol bari jeung salah.

“Enya éta. Bati kabita wéema mah. Geus moal ngala-man. Cikan dongéngkeun kuKiyul, kumaha kaayaan diditu téh?” pokna deui.

“Di ditu di mana Ma?” “Enya di nagara deung -

eun. Keun baé teu kungsingalaman nincak ogé atuhngadéngé-ngadéngédongéngna Ema téh,” cenah.

Ti harita, méh unggalpoé, pabeubeurang sanggeusbérés mantuan Umi di imah,kuring sok ngahaja ulin kaMa Karsih.

Itung-itung ngabuburitbaé, ngadagoan waktunamasak keur buka. Ukurngadongéngkeun sagala rupaanu katempo salila kuringmancén tugas jadi pramu-gari. Kaciri resepeunna téh.Mani sok aléwoh sagala di-tanyakeun. Komo mun ku -ring geus nyaritakeunkaayaan kota Paris, katangénresepeunna téh.

Sok tatalepék imeutpisan. Komo mun nyari-takeun kaayaan Menara Eif-fel, kuring kudu imeut

nataan kumaha kayaanana,kira-kira sakumaha jangku -ngan, sakumaha legana, munnaék ka luhur, naon baé anukatempo ti dinya. Kumahamun naékna peuting, pa-mandanganna jiga kumaha,jsb. Tara dikorétkeun, sok di-caritakeun baé sagala rupaanu kungsi katempo mah.Mun keur cacarita, sakape-ung kuring ngarasa, nempopanonna anu geus pareumtéh ngadadak cahayaan.Kabungahna atra dina paro-manna anu sepa.

Aya kabagja anu nyaliaramun niténan kabungah dinaromanna.

Bet sok ras ka jaman keurleutik. Ti sainget, kuringmah teu boga nini. Saur Umi,nini ti pihak Umi, ngantun -keun basa Umi kelas dua SD.Sedeng ti pihak Apa mah,ngantunkeunna basa an-yaran Umi nikah ka Apa.Kuring sadudulur sok apéttéh ka Ma Karsih, nini ti gigirmeureun pibasaeunana. DaAki, apana Umi, rai rakasareng Ma karsih. Haritamah kuring can apal istilahnini ti gigir atawa nini sam-peuran, nganggap nini so-rangan wéh ka Ma Karsihtéh.

Pasosoré, sok indit kamasigit téh. Méméhngadagoan bedug magrib,sok ngagimbung di émpérbumi Ma Karsih waé, dapuguh nampeu téa kamasigit. Lain kuringwungkul, tapi incu tegesnajeung barudak salembur anurék ngaji mah ngadagoanbedug magribna sok di bumiMa Karsih waé.

Harita mah di émpérnaaya sababaraha babaléantina awi anu lalébar. Mundigimbung ku barudak téhkaciri atoheun ana. Barsamak, sor téko ci entéh.

Lalawuhna mah kumahausum ngebon baé.

Usum boléd nya boléd,usum usuk nya kulub suuk,kitu deui mun usum jagongsok jeung kulub jagong.

Saréréa dariuk ngabérés,tuluy Ma Karsihngadongéng! Enya, Ma kar-sih téh pinter pisanngadongéngna. Nya ti MaKarsih pisan kuring mimitiapal dongéng Si Kabayan,Sakadang Peucang,Sakadang Kuya jeungMonyét, jeung dongéng-dongéng lianna. Malahsakapeung mah Ma karsihsok ngadongéngkeun hal-halanu nyata, upamana kaayaandi Kebon Raya Bogor, di Ra-gunan, jeung tempat wisataBina Ria di Jakarta.

Kuring saréréa tangkasok saregep pisan mun nga-bandungan dongéng-dongéngna. Atuda sok jiganu enya pisan ngadongéngnatéh, nepi ka kuring mah bisangabayangkeun kumahakaayaan tempat anu aya dinadongéng-dongéng Ma Kar-sih. Wallohualam naha MaKarsih kungsi nincak atawaacanna mah ka tempat-tem-pat anu didongégkeunanatéh, da teu kungsi di-tanyakeun. Ngan nu sidik,harita kuring sok nempo ca-haya panon anu hurung tibarudak basa ngabandungandongéngna, jiga anu saka -peung sok kapanggih dinapanon Ma karsih basa nga-bandungan dongéng kuring.

“Leuh mani ramé. Kiyulmah bisaan ngadongéng téh,” cenah unggal kuring béréscacarita.

“Pan guguru ka Ema dinaurusan ngadongéng mah,”témbal téh bari nyéréngéh.Ma karsih milu nyéréngéh.Waosna nu ompong tinggaldua siki, kaciri beuki doyongbaé.

“Mun ema beunta kénéhmah meureun bisa nempoanpoto Kiyul di luar nagri nya,”cenah.

“Tapi kétah keur naon,da aya kanyaho ogé moalbisa didongéngkeun deui kasasaha,” tuluyna semungarahuh.

“Naha Ema tarangadongéng deui ka baru-

dak? Padahal raramédongéng ema mah,” pok téh.

“Barudak nu mana?Barudak ayeuna mah teubareukieun dongéng.Gawéna ukur lalajo tv, maénPS, jeung nyoo HP.

Pan katempo meureunku Kiyul ogé, salila samingguKiyul di dieu, tara aya baru-dak anu ngulampreng nyam-peurkeun. Keur mahnini-ninina barau meureun,katurug-turug dongéngnageus tinggaleun jaman. Geustara aya budak anu daéknyampeurkeun ayeunamah,” cenah sari ngalengis.Panonna anu biasana gular-giler, ayeuna mah mantengmelong kosong ka jauhna.Semu beueus. Cahya anusababaraha poé ieu sokngolébat dina kongkolakpanonna, ilang teuing kamana. Aya rasa sepi anu po-hara, parat karasa kana ma-maras rasa. Teu karasapanon kuring milu beueus.

Sapoé ti tas lebaran, ku -ring amitan rék mancéntugas deui. Basa kuringnyium pananganna, karasaaya nu nyakclak kanaembun-embunan. Pana -nganna anu kénca, baringadarégdég, teu reureuhngusapan buuk.

“Jug Kiyul, dido’akeun kuEma sing salamet indit kamana-mana ogé. Ulah pohosolat lima waktu nya Nyai.Tingalian ku Nyai leganaalam dunya, taun hareupdongéngkeun deui ka Emanya,” cenah bari dareuda.

Peuting ieu kuring keurdi Paris. Basa di Menara Eif-fel, datangna sms ti Umi.Cenah Ma Karsih ngantun -keun teu kanyahoan. Sorékamari Umi nganteuran da-hareun, masih kénéh bisacacarita.

Ari soré tadi Umi ka bu-mina deui, tos ngabebeng -kang teu nyawaan. Panonkarasa juuh, dipaksa neuteupka jauhna, nganteurkeunteuteup Ma karsih nu hayangnataan legana dunya.***

Page 25: Mangle 2474

Lalaunan Nyi-mas nutup-keun pantocai. Lalaun -an ogé, nu-runkeun

sukuna, ngaléngkah kahandap, ngaliwatan tilutangga nu leueur kasim-beuhan ku cai ti jero.Sanggeus hareupeunpanto nu rék ka imah, teu-ing timana jolna, anginngahiliwir kana punduk -na. Tiis. Nyimas ngarérétka lebah panto cai nunutup. Kapireng sora cainu kawas ngamalir kanaparalon handap, padahalgeus sababaraha menitkatukang, cai kuduna eu-reun ngamalir.

Teu pati dipikiran. Nyi-mas ngaleupaskeun duasendal capitna, sukuna di-teueul-teueulkeun kanakékéséd nu garing, tuluybus ka jero imah sanggeussaméméhna ngonci ti jero.

Golédag gigireun orokbeureum nu tacan sabulanaya di alam dunya. AwakNyimas nyaréri kénéh, la -linu, tilu jaitan teuing leu -wih waktu réngséngaheujeun si jabang bayi.Leumpang gé kawas nuléléngkah halu sakapeungmah. Uyuhan ku kitunamah, ngawulaan soranganti réngsé lahiran téh. Timimiti ngurus orok,nyeuseuh, popoé, ngaléottepika ngawulaan kadaha-ran ogé ku sorangan.

Sakali-kali éta ogé lan -ceukna nu sarua ripuhngurus budak sapopoéna,nepungan. Tuluy man-tuan. Tapi tara kungsi lila,ukur memenitan.

Nyimas dumuk di kon-trakan, teu boga imah.Salakina gawé di pabriktékstil nu cenah moal liladeui bangkrut. Tiap poébalikna burit, anakna nucikal nu umurna can pan -ceg lima taun, can bisakaarah gawé mun saka -lieun indungna nitahmeuli uyah ka warung ogé.

Jarum pondok museurkana angka sapuluh waktuNyimas ngeukeupan oroknu ngagebra. Salakinaréngsé Isya disalampeurbabaturanna. Diajakgapléh. Saenyana Nyimaskeuheul nataku, teu kira-kira salakina indit ning-galkeun manéhna katiluanaknna di imah kontra -kan nu kacaritakeun lobajurig.

Séak … angin nyéak.Nyimas ngarénjag. Nahaaya angin ka jero imah,sakitu rérégan nutup,malah liang angin di luhurjandéla jeung panto ogégeus rapet ditutupan kukoran. Najan teu tarik,kana puhu ceuli Nyimasatra sora nu seuri, nyiki -kik. Siga sora awéwé. Nyi-mas reuwas. Ceulinarancung-rancung waktukadua kalina sora nunyikikik téh aya deui. Nu

kadua mah, rada lila, ayakana sababaraha detikna.Puringkak, bulu pundukNyimas muringkak.Awakna dakdumadakngeleper, tapi satekahpolah nahan rasa sieun numimiti nyaliara. Geuwatcengkat tina kasur nu nga-haja diamparkeun tiappeuting di tengah imah.Ngarawu orok tuluygagan cangan blus kakamar. Panto dikoncipageuh ti jero. Orokdigolérkeun di gigireunlanceukna nu keur kérék.

Panon Nyimas teudaék peureum, pikirannamasih museur kana soranyikikik tadi. Teu bisa di-pastikeun dimana étasora, tapi Nyimas ngarasasora nu pikasieuneun étatéh datangna ti rohangantukang, tukang pisan, jurupisan … nyaéta pernahnati jero cai. Nya, Nyimasyakin ti dinya. Menit-menit ka hareupna karasalila, ras Nyimas inget kanacaritaan tatangga waktudua bulan katukang anyarnyicingan ieu imah, cenahmah di imah kontrakanieu nu lega ku rohangantéh, didumukan ogé kuloba mahluk salian ma -nusa. Matakna harga kon-trakan imah téh kaitungmurah. Nurutkeun béjadeui, unggal nu kungsinyicingan imah ieu, kabéhgé kungsi ngarasakeunayana bangsaning jurig di

dieu. Wallahualam… Nyi-mas teu pati percaya.

Keur dirina nu haritabulan alaeun, manggihkontrakan nu murah téhleuwih penting tibatanngadéngé nu teu para -ruguh jeung bangun nupamohalan. Lain teu per-caya ka bangsa nu kitu,tapi embung kaganggu kubéja-béja nu can pasti.

Cikikik, sora nunyikikik téh disada deui.Puriding, Nyimas muri -ding. Awakna ngadarégdég. Orok dikeukeupanpageuh. Nyimas yakinayeuna mah, éta sorakunti. Kuntilanak. Mahluknu cenah jurig awéwé nubuukna panjang ngaram-bueuk, beungeutna ruksakpikasieuneun, papakéan -ana daster bodas kuleu -heu. Nyimas gé karékinget, tadi manéhna ka caipikeun miceun getih tinabagéanna nu kagetihan.Nyimas enya-enya pohokana caritaan Téh Ana,lanceukna nu sababarahakali geus pangalamanorokan.

“Kadé Nyi… ulah wani-wani ngumbah getih saen-tasna langit hideung,”pokna peupeujeuh.

“Kajeun teundeunheula wé, buntelkeun...keun isuk deui wé aripanonpoé geus bijil,kakarék beresihkeun.”

“Bisi dicokcrok kukunti nya, Téh?”

Manglé 247424

PPuridingPuringkak

KuntilanakKu Komala Sutha

Page 26: Mangle 2474

25Manglé 2474

Nyimas gé karék inget,imah kontrakan ieu,bagéan rohangan tukangjeung imah tatangga nunukangan, ukur diwatesanku susukan. Ceuk béja, disusukan kunti resep keke-ceprekan ari poé geus ing -kah, komo deui disampak keun getih ti nu hudangngajuru. Inget kadinya,Nyimas beuki pageuhngeukeupan orokna.

Jam dinding di tengahimah disada sabelas kali.Salaki Nyimas nu mimin-dengna mah polahnakawas budak ngora, cankénéh mulang. Antararasa keuheul jeungsieun, pagalo dina jerodada. Nyimas mu-rungkut nyuksrukkana awak orokbeureum nuleutik. Tinaawakna nubegangnudibung -kus kubajudasternu lala -yu se kar,tinapina rep nanu tuma-won, barijilkésang badagkésang lembut.Sabisa-bisa Nyi-mas ngageren-dengkeun kalimahampuh pikeun ngusirkunti nu bisa waé nyam-peurkeun, tapi dakdu-madak biwirna hésé deuiéngab. Dada Nyimas turunnaék, satekah polah ny-inglarkeun rasa sieun numingkin nyaliara.Rarasaanana, sora nunyikikik téh disada deui,

ayeuna mah lain ti jero cai,tapi beuki deukeut, beukideukeut baé.

Sora panto hareup nudigedor tarik ngalantaran -keun Nyimas ngarénjagreuwas. Ceulina masihrancung ngadédéngé -keun sora nunyikikik nu aye-una mah leu -ngit. Pindahkana sorapanto

hareupnu teu eureun-eureun di-gedoran. Nyimas ngusapdada. Lalaunan cengkat,orok beureum nu candicukuran tepika peu tingieu, masih ngagebra teukagareuwahkeun ku sora

panto nu digedoran tarikku jalma teu boga pikirannyaéta bapana, salaki Nyi-mas.

“Nyi-

mas…nyaring

atuh!” tiluar, salak-

ina ngagen-traan. “Naha

tengah imah beutdipoékan? Tara-tara

ti sasari! Hurungkeunatuh!” Nyimas kerung.Rarasaan manéhna teumareuman lampu nu di-maksud. Pegat meureun,pikirna.

“Nyimas… geuwat bukaatuh!” salakina ngagoro -wok ti tepas hareup, leung -eunna eureun ngagedoranpanto. “Yeuh Akang mawamaratabak paméré si

Adung!”“Enya Kang… sake -

dap,” témbal Nyimas barimenerkeun kancing dasternu muka. Bari ngararasa -

keun peurih dinabagéan awakna

urut ngaheu-jeun si jabangbayi, ngo-jéngkang tinadipan butut,tuluy murugagangpanto. Braypanto kamarmuka. Benerceuk salakina,rohangan te -ngah imah téhpareum pada-

hal Nyimas teurumasa mareu -

man. Karék gé rékngaléngkah tina la -

wang panto, bari leu -ngeunna cupu-capa

kana témbok néanganstop kontak, najan poék

rohangan tapi panon Nyi-mas awas kénéh.

Dina luhur kasur kapukipis di tengah imah, nyam-pak aya nu keur nanghun-jar. Awéwé buuk panjangngarambueuk, beungeutnaruksak. Pakéanna nu bo -das kuleuheu kawas das -ter. Barang nempo Nyimasnu ngarénjag, nu keurnanghunjar dina kasurkapuk téh nyikikik.Pikasieuneun.

Ti luar, sora salaki Nyi-mas gegeroan deui, kanasababaraha kali. Tapisaeutik gé teu tepi kanaceuli. Nyimas geus teukaburu inget deui nanaon,kaburu teu inget di bumialam.***

Cililin,

28 Pebruari 2014

Page 27: Mangle 2474

CCarita Heubeul

Bari nganggoanggoansaperti rayatbiasa, saja-jalan DipatiUkur mapay-

mapay raratan, milari katera -ngan di mana meuweuhnaéta huru-hara, naon anu jadilantaranana jeung saha anujadi ulon-ulonna.

Barang geus lengkep ka -teranganana, anjeunnangalahir ka réréncanganana,saurna:

“Eh dulur-dulur, ayeunakaula geus terang saha anujadi ulon-ulonna jeung naonmaksudna anu matakngayakeun huru-hara kieu.Karepna lain nawuku baha kanu jadi Ratu, anging dipakéjalan pikeun ngahianatanjeung nyilakakeun diri kaula,panggawéna sawatara jalmaanu ceuceub jeung sirik-pidikka kaula. Ku kaula moal dibé-jakeun saha-sahana, sababengké ogé tangtu ku aranjeunbaris kauninga. Ayeuna mahhayu baé urang ngajorag ka

padumukanana. Ti dieu pere-nahna enggeus deukeut, lem-peng ngulon lalakon kira-kiradua tilu jam deui. Ku sababéta, anjeun sadayana kuduati-ati sarta taki-taki, bisi dijalan aya musuh ngabongo-han. Rap ayeuna mah geuraaranggo deui anggoan kapra-juritan.”

Rerencangan sadayanasaur manuk nyumanggakeunsarta jangji baris toh pati jiwaraga, béla tumutur ka DipatiUkur.

Kira-kira wanci lingsirbral marangkat, leumpangnanyarahcalan pairing-iring,henteu ngabrul ngabubuhan.Anu pangheulana DipatiUkur.

Barang geus anjog ka sisikampung anu rék dijugjug,Dipati Ukur henteu ujug-ujuglumebet, reg sakedapanngarandeg lantaranngadangu anu salusurakan,kawas nu keur marorobagong.

Anjeunna gancang mi-warang taki-taki, bari sayaga

baris nyanghareupan ban-cang pakéwuh.

Henteu sabaraha lilana tikénca katuhu burudul jalmamangpuluh-puluh, kabéhpada marawa gagaman,kayaning gobang, bedog,tumbak jeung sapapadana.

Gancang Dipati Ukur mi-warang réréncanganana, su-paya ngajejer ngawangun duajajaran anu patukang-tukang,masing-masing pada nyang-hareupan musuh, anu rékngurubut ti kénca jeung tikatuhu. Ku diatur kitu,musuh téh moal bisaeunnarajang ti tukang. Kabéhgeus pada taki-taki, sayagisagagaman-gagamanna.

Kapala karaman, jalmajangkung gedé, bosongotbudi amprotan, luncat kahareup bari ngagorowok,maréntah sangkan baladnanarajang. Tapi ku lantarannénjo lawan anu sakitusamaktana sanajan henteusabaraha réana, karaman-karaman téh pating rarandeg,henteu ngambreg wanieun

narajang. Dihayoh-hayoh kukapalana téh, tinimbangmaju kalah silih rérét jeungpada baturna. Aya di an-tarana opat-limaan, anungawani-wanikeun manéh,lantaran sieun ku anu jadi ka-pala. Maranéhna norojol kahareup, tatandang baringulinkeun pakarangna. Srogdiayonan ku balad DipatiUkur, anu pakarangna sarua,tumbak dilawan ku tumbak,pedang diadu jeung pedang,keris ditakis ku keris.Sajongjongan mah ramé, jigaenya anu tanding, saruatangkesna sarua kesitna.Balad Dipati Ukur enggoningngayonanana téh henteudibarengan ku niat arékmaténi, ku sabab ti samé -méhna ogé geus dipapancé-nan ku dununganana, supayasabisa-bisa ulah diarahpatina. Jadi dina prungnaadu rempon téh, ngan saukurnakisan panarajang musuh,ngajaga diri sangkan ulahkakeunaan. Anu narajanglila-lila béak tanagana,

Manglé 247426

{ 88 }

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

Page 28: Mangle 2474

ngulinkeun gagamanana ogégeus henteu maké aturan,huak-hiuk gejas-gejosna téhgeus sakabelong-béntor.Geus kitu mah kakara kubalad Dipati Ukur diangseg,dirapetan. Henteu kungsi lilapakarang-pakarangna kabéhenggeus karebut, tuluymalundur, nyalingker kajerorombonganana. Kapalanangagorowok deui, nitah su-paya gancang aya nu nga-ganti. Tapi anu gogorowokanjeung maréntah bari popo -rongos téh, saukur didéngéku tai ceuli, da buktina teuaya saurang-urang acan anuwani ka hareup, anggur mahpagulung-gulung di tukang,bari silih surung jeung pa-pada baturna. Kawasna baékaraman-karaman téh gigisnénjo balad-balad DipatiUkur anu sakitu taranginas -na. Nyaksian adu remponanu tadi, katénjona téh jigaucing anu ngamaénkeun beu-rit, ditoélan didekeman, tapihenteu tuluy dikerekeb.Tungtungna haténa maru -rengked, boga rasa katitih ja-jatén. Nu matak henteu ayanu wanieun maju deui.

Nénjo kaayaan kitu, SangKapala boga rasa katempuh -an tanggung jawab, bubuhanjadi pamingpin sieun kasurakku balaréa, disarebut hu-mayua, keur naon jadi pa -mingpin ari rék leutik burihmah. Najan bari hemar-hemir, maksakeun manéhngasrog saeutik, sosoaknangtang musuh bariparakatangtang-pirikiting -ting. Mun dina wayang mahhenteu beda ti Panglima Ci -trayuda, jiga ari heueuhgagahna. Pokna, bari sosoak:

“Cing mana jalmana, anungaran Dipati Ukur téh!Lamun enya lalaki, hayohgeura maju, urang ngadu ja-jatén jeung kami, Den BehiReksopringgo, kekentongnaSelorejo!”

Salah saurang rérénca -ngan Dipati Ukur, anu

kabeneran aya di gédéngeu-nana, unjukan nyuhunkeunwidi supaya manéhna anungayonan. Piunjukna:

“Nun Kyai Dipati, mugiaya lunturing galih, kersangawidian abdidalem nga -yonan ki Reksopringgo. Abdi-dalem sumeja bébéla, lali rabitegang pati, asal Dampal-dalem teu pendak sareng ku-ciwa.”

Dipati Ukur alon ngalahirbari dibarengan imut:

“Ki Silah, béak kula nyatumarima, sampéan purunbumela. Tapi hanjakal kulateu bisa ngidinan, ku sababitu nangtang ka diri kaula.Lain kula henteu percayakana wewesen sam-péan,ngan sok sieun Ki Rekso

nemahan pati, ditanganan kusampéan. Ari maksud kaulalain rék ngarah patina, tapirék diboyong hirup-hirup,keur ngeupanan guguluna,”sasauran kitu téh bari ha-haréwosan, sangkan kumusuh teu kadéngéeun.

Ki Reksopringgo pikirnaasa diupat jeung bari teungeunah rasa. Gantawangnyentak, nyimbutan rasasalempang:

“Entong maké loba carita,sor geura maju lamun enyamah digjaya. Béjana manéhtéh, lalaki langit lalanangjagat, gagah hésé nyiar tan -ding. Nya ayeuna baris meu-nang lawan, anu sanggupngarakrak iga manéh!”

Dipati Ukur ngadangu

panangtang musuh kitu téh,henteu risi henteu rempan,malah henteu panas-panasacan, sumawonna lamunbendu. Srog anjeunna maju,angkat henteu gurung-gusuh,titih rintih teu cirigih, pase-mon jeung bari imut, lahirna:

“Raden Behi Rekso-pringgo, nya ieu kaula jal-mana anu ngaran DipatiUkur. Naha naon maksud an-jeun téh, arék ngarah patikaula atawa saukur ngan aréknangkep wungkul?”

Ki Behi Reksopringgosugal ngawalon:

“Saupama manéh henteuarék baha, hamo ngalawantapi daék sumerah bong -kokan, tangtu ku kami moalarék dibinasa, ngan saukurdicangkalak, dideuheuskeunka nu miwarang.”

“Euh kutan sampéan téhngan saukur piwarangan; lainngaraman niat sorangan,ngahucuhkeun jalma réa,nitah baha ka nagara,” saurDipati Ukur bari rintih amisbudi. “Karunya teuing kurayat nu teu boga dosa,dibawa susah sarakah. Jeungsaha anu geus miwarang kasampéan téh. Den Behi?”

“Teu kudu loba carita,henteu kudu hayang nyahosaha nu ngutus ka kami.

Ayeuna mah geura pilihbaé, naha rék ngalawanatawa arék sérah bongkokan,sangkan salamet!” Ki Rekso-pringgo ngomongna kitu téhbari maju ngadeukeutan,mesat gobang tuluy diabar-abarkeun, munggah gugurila-pan. Ragag-rigig jalang-jeleng di payuneun DipatiUkur, bari huntuna kekerot,bangun anu ngagigila, nying -sieunan.

Tapi Dipati Ukur mahningali anu talajakna kitu téh,tetep ayem teu obah bulusalambar, pasemonna ampuhtimpuh, bubuden tetep sare-seh.

(lajengkeuneun)

27Manglé 2474

Page 29: Mangle 2474

Manglé 247428

Bagian

205

CCarita Nyambung

Peuting ka-251

Syahrazadcacarita kaadina. Peutingéta mah, rékmimiti medarlalakon ahéng

urang Mesir. Puguh we, RajaSyahrayar gé panasaraneun.Eta raja téh ngidinan nu rékngadongéng medar lalakondina peuting saterusna.

Kacatur sudagar Mesir,Syamsudin. Inyana téh sohorpisan, lantaran kabeunghar -an ana. Pakayana di mana-mana, mangrupa toko jeungbarang-barang nu gedéajénna. Ku lantaran kitu, étasudagar téh meunang kaper-cayaan jadi kepala palabuhanatawa syahbandar.

Imahna nu ngajungiringtur sigrong, teu weléh haneu-teun, lantaran loba pangeu -sina. Badégana welasantitambah ku abid sababarahaurang. Nu kabéh éta téh bogapancén masing-masing nga -wulaan Syamsudin jeung bo-

jona.Najan hirupna nga-

henang-ngahening, beukidieu mah mimiti ngarasasedih kingkin. Komo munnempo tatangga-tatanggananu sarua maruka toko, étasudagar téh kabitaeun naker.Rék teu kitu kumaha, datatangga-tatanggana mahbaroga budak, awéwé-lalaki,nu ceuk pikir Syamsudin,bakal kacida bagjana mun in-yana ogé boga budak.

Dina hiji poé, rét Syam-sudin kana eunteung. Betbéda ti sasari, inyana neuteupkalangkang sorangan antep-antepan. Horéng, geus lobarobahna, pangpangna nutembong téh huis nu mimitibeuki ngerepan. Leuh, aingtéh geus kolot geuning. Kitugerentesna.

Ras inget kana lalakonrumah tanggana, aya rasakaduhung nu nyalahkeun di-rina. Umur rumah tanggananu geus opat puluh taun,tacan ngarundaykeun turun -an, teu burung-burung acan.

Kaduhung téh, bet kungsijangji baheula, moal ngaduahaté, moal boga pamajikandeui salila ngarangkep jeungpamajikanana mah.

Pasipatan Syamsudin nurobah, karasa pisan ku bojonagé. Pangna ngarasa tugenah,lantaran salakina nyalahkeundirina nu dianggapna gabug.Padahal, can tangtu saha-sa-hana nu gabug teh, lantarancan kungsi dipariksa.

“Nya urang tarékahan wébabrengan, urang tatamba kanu bisa,” ceuk bojona.

“Kawasna mah enya kudukitu,” walon salakina.

Ti harita, Syamsudinsatékah polah néangan ubar-ubaran nu bisa jadi cukanglantaran bojona bisa kakan-dungan. Ku keyeng mah,najan hésé-béléke, ahirnatinekanan. Ku cukang lan-taran nginum rupa-ruparacikan istri Syamsudin ngan-deg. Ahirna, geus salapanbulan kakandungan, eta ja-bang bayi téh medal ka alamdunya, orok téh lalaki.

Kulawargana bungaheunkacida. Lalangsé hideung nungareumpeukan éta kula -

warga ngadadak sirna. Di-ganti ku plung-plonganharepan éta sudagar.

“Saha pingaraneunananieu budak téh?”

Walon bojona, munbudak awéwé, nya inyana nurék ngaranan éta budak téh.Tapi, ari lalaki mah pingara-neunana gé masrahkeun wéka salakina.

Peuting ka-252Heuleut sawatara poé, éta

budak téh can dingaranan.Syamsudin mikir uleng keurpingaraneun anakna. Antuk -na, sanggeus meunang pinga -raneun nu ceuk pikirna cocogkeur ngaran anakna, étaSudagar téh babadamian deuijeung garwana.

“Urang ngaranan wé Ala -din Abu Syamat,” pokna kaistrina.

“Mangga, ngiringan!”walon bojona.

Hadirna Aladin di étaimah, lir bentang nu teuweléh nyaangan poékna peu -ting. Sakumna pangeusiimah, pinuh ku kabagjaan.Kitu téh lantaran pangaruhSyamsudin jeung bojona nu

Page 30: Mangle 2474

29Manglé 2474

leuwih bageur batan samé -méhna. Ti gubrag ka alamdunya, nepi ka dua taun mah,éta budak téh tara jauh ti in-dung. Teu weleh pada nga -riung-riung pada nagriksajeung ngajaga. Dikersakeunku Nu Mahakawasa, étabudak téh hirup waras paitdaging pahang tulang.

Nincak umur dua taun,budak téh disapih. Diasuh kupagawé pentingan nu meu-nang kapercayaan ti dunu -ngan. Aya kana welasna nungurus jeung ngaladenan étabudak téh, kalayan dipe -renah keun dina tempathusus, di kamar nu ayajeroeun taneuh. Eta témpatgé ngahaja dijieun ku Syam-sudin keur anakna nu nganhiji-hijina téa.

Sapopona Aladin tara kamana-mana. Ukur sabudeur -eun kamarna wé. Ngan, kulantaran aya di dinya téh ti

leuelutik, karasana ku Aladinmah biasa wé.

Sagala kabutuh Aladinkacumponan. Da, sagalana gényampak. Atuh, nu ngajar -keun rupa-rupa élmu panga -weruh jeung agama, ngahajadidatangkeun ka éta kamar.Ku cara kitu, nepi ka umurwelasan taun, éta budakSudagar téh can kungsi apalkaayaan di luareun imahna.

Dina hiji waktu, basa Ala -din keur diuk di salah sahijirohangan imahna, torojolsalasurang pagawé éta suda-gar datang ka éta tempat,nyampeurkeun bari nungtunbagal.

“Keur naon ieu bagaltéh?” ceuk Aladin Abu Sya-mat.

Pok nu ditanya ngawalon.Eta bagal téh tutunganganSyamsudin, nu biasa dipakénganteurkeun ti éta imah kapagawéan jeung sabalikna.

“Naon pagawéan amatéh?”

“Syahbandar.”“Tugasna naon syahban-

dar téh,” Aladin tetelepék.Nu ditanya ngawalon.

Pancén syahbandar téh ngu-rus ngatur sakumna pada-gang jeung sudagar nu aya diMesir. Naon waé barangnajeung ti mana waé asalna,kudu katalingakeun jeungmeunang ijin syahbandar.

Ngadéngé nu patinggere-neng, ibuna nyampeurkeun.Aladin, langsung nyarita kaindunga. Cenah, salila ieumanéhna teu apal kaayaandunya luar, padahal bapanatéh boga kakawasaan nukacida gedéna.

Peuting ka-253Aladin kakara sadar, salila

éta mah, inyana téh lir manuknu dikungkung di jero ku-rung. Malah, manuk onam

bisa nempo plung-plongandunya lauar, tapi dirina mah,apan teu bisa ka mana-manateu apal kana kaayaan di luartembok pakaranganana.

“Ih, ulah salah tarima.Dijaga jeung diriksa sotéh,apan di luar mah loba nupibalaieun,” ceuk indungna.

Ngadéngé caritaan in-dungna kitu, Aladin téh beukiambek. Ceuk pikirna, apantakdir mah, lain manusa anunangtukeun. Atuh, teu kudusieun jeung hariwang kupihak séjén. Saterusna, Ala -din téh panjang cacarita, du-masar kana pamanggih jeungpangaweruh ti paraguruna.

Mun manusa percayakana takdir ilahi, teu kudurempan ku pihak séjén. Juengdeuih, kitu kanyataananakahirupan mah tara aya nulanggeng. Apan, karuhunurang gé maraot nu tangtupati téh bakal tumiba ka sahawaé kaausp ka kula sorangan.

Satereusna, ieu anakSudagar téh nyarita deui.Mun ayeuna bapana ayakénéh di kieuna, can tangtusabaraha sabaraha poé deuililana bakal tetep hirupkénéh. Mun Samsudin nepika hanteuna, sarta taya nuapaleun manéhna anak étaSudarag, hartina, moal ayapercayaeun mun inyana téhanak Syamsudin, nyahbandarjugala.

“Ku lantaran kitu, mugiibu mangnepikeun ieu pasu-alan ka ama,” pokna.

Ibuna ngabetem. Ni -mbang-nimbang jeung miki-ran kekecapan anakna. Ceukpkirna, nu ditétélakeun kuanakna téh taya salahna.Malah, kitu pisan benernamah, sangkan nu séjén géapaleun yén Aladin téh anakSyamsudin.

“Heug,” ceuk ibuna,”sagala kahayang hidep urangtepikeun ka ama,” ceuk in-dungna. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle 2474

Manglé 2474

Sanggeusmeresihankéréték,reureuhheula sakeu -deung ngara -

rasakeun kareuwas jeungkatugenah nu cikénéhkarandapan. Bari nung-guan barudak budalansakola, kuring neuteup siGéboy, kuda nu unggalpoé maturan narik ké -réték. Maké nyérédét hatetéh, teungteuingeun nunyangka goréng ka ku -ring. Harita basa jalankeur macét. Motor, mobilpajejel, hésé rék ngejet -keun tali kuda. Ari teruswaé dipecutan karunyakudana. Ras inget ayajalan malibir ka komplékrada sepi, teu pabaliutteuing.

Si Géboy dititahméngkol ka kénca nubrasna ka KomplékSukasenang. Enya wékuda bisa leumpang gan-cang kalan-kalan lumpat,“kotoplak ningnéng,”léngkah si Géboy maniramé ditéma ku surakbarudak jeung baracéo.Aratoheun dibawa jalan-jalan tumpak délman.

Aya kana sajamnakukurilingan di KomplékSukasenang téh,panumpang narungtutanturun. Kari saurang deui,

budak awéwé umurnakakara dua taun. Diuknagigireun kuring ngahajatadi dipihapékeun ku in-dungna, cenah pangma -wa keun budak nepi kaboseneun, indungna rékbébérés heula di imah.

Geus lila kukurilingan,bari anteng nabeuhbudak. Sakalian rék di-anteurkeun ka imahnaceuk haté, da geus bo -seneun meureun, ujug-ujug aya mobil nu nyegat,Reg! kuda eureun disaka-likeun, nepi ka ngajeng -kang.

“Eureun siah rékdibawa ka mana anakaing?” ceuk lalaki nutumpak mobil téh.

“Moal dicandak kamamana badé dijajap-keun ka bumina!” témbalkuring.

“Alesan siah rék dicu-lik meureun. Maenya los-los ka dieu, da imah aingmah jauh ti ieu tempat.Mana panumpang séjén,maenya ukur anak kuringwungkul nu tumpakna,”kituna téh bari jeungpopolotot.

“Sumpah sanés culikabdi mah,” témbal kuring.

“Laah tong lobaomong. Hayu ayeunamilu urang ka kantorRW!” pokna bari nitahkuring nuturkeun

manéhna.Nepi ka kantor RW

kuring diriungkeun. Ayakana tujuh urangna. Tapida saréréa gé arapaleunka kuring. Sanajan kituteu burung ditanya nahanarik di lingkungan ieu,da biasana ogé tara kadinya. Cek kuring ngarahteu macét jalan ka dieusoteh.

“Abdi langganan ibunaieu murangkalih nu soknitipkeun ka abdi, mi-warang ngajak jalan-jalan," ceuk kuring.

Pa RW malik nanya kabapana budak nu men-crong ka kuring kuraweudhaseum.

“Cobi ayeuna teleponistri bapa, naha leres ieukusir délman langganan?”bapana budak ngalu-arkeun hp tina kantongleutik nu disorén. Terusnelepon ka pamajikanana.

“Muhun cenah Pa,"pokna. Terus ngajaksasalaman ménta ham-pura. Kuring ukurngahéhéh.

“Hampura, geusnyangka culik,” pokna.Budak dipangku tapikalahka teterejelan ha -yang milu jeung kuringmeureun betaheun kénéhnaék délman. Tapi dipak -sa ku bapana ditaékeunkana mobil.

Waktu nyérélék bakatku anteng ngalamun. Teukarasa geus pukul duawelas beurang.

Sakeudeung deuibarudak baralik sakola.Tamba kesel kusiwel kur-ing ngaluarkeun eunteungleutik tina jero pésakcalana, bari dungdakdéngdék. Naha aya cupatculik kitu? Rarasaan ku -ring mah asa teu kabeu -ng eutan. Haté galécoksorangan.

Saméméh jadi tukangdélman, digawé téh dipabrik. Tapi nya kitu téawaktu monétér taun sala-pan puluh dalapan, ku -ring di PHK. Atuh gulargolér teu boga gawé.Kungsi milu kuli bangu-nan tapi teu kuat lila, ala-tan teu saimbang bayaranjeung tanaga nu kaluar.Pangpangna résiko dapurteu kaladangan jeung ba-yaran nu katarima teuurup. Can pabaliut jeungbéaya budak sakola.Harita mah can aya béayabantuan ti pamaréntah.

Kuring mikir kumahacarana sangkan bogagawé matuh, da kalumanari cicing waé mah. Ung-gal poé, di tempat matuh,kuring sok nénjo délman.Aya kereteg hayang bogadélman. Nya badamijeung pamajikan, sésa

Haté Caang 30

CCarita Pondok

Carpon Tuti

Page 32: Mangle 2474

31Manglé 2474

Narawangan

duit pesangon ti pabrikrék dibeulikeun kanakuda jeung kérétéknahayang narik délman, tapidi nu anggang, ngarahsainganana teu patiloba.Nepi ka ayeuna ku -ring jeung kulawarga pin-dah pakasaban jaditukang délman. Keur an-teng ngalamun ngumbarpanineungan kagareu -wahkeun ku sora awéwénu nanya. Ari dilieuk in-dungna budak nu tadi.

“Héy Emang ngala-mun waé, ka mana jalan-jalan téh kalah kesel nunungguan. Naha Caca teu

dijajapkeun ka bumi, dimana ayeuna?” cékmanéhna. Kuring reuwas.Ari nu tadi ngaku ba-pana? Gustiii boa-boa.

“Emang ieu abdi narosnaha teu diwaler?” Awéwéhareupeun kuring in-dungna budak nu tadidibawa ku bapanangagugujek awak kuring.

“Euh punten Ibu,Néng Caca mah parantosmulih tadi dicandak kuramana,” témbal kuring.

“Naha da bapana Cacamah nuju Dines di Cire-bon,” ceuk indungnabudak nongtrowélang bari

ruwah-riwih ceurik.Kuring bingung teu

puguh cabak. Keur kitukurunyung mobil nu tadinyampeurkeun. Bray pan-tona muka

“Mah, ieu Caca uih,”ceuk lalaki nu tadi nyegattéa.

"Eh geuning Bapa,”pokna.

“Muhun tadi uih tikantor, ninggal Caca keurkana délman nyalira,sugan téh diculik.” Pokna.

Sup waé éta awéwékana mobil, terus diukngalahun budak. Ari ba-pana nyampeurkeun bari

ngodok pésak, sok méréduit dikeupeulkeun.

“Nuhun,” poknaBasa mobil geus

ngaléos, keupeulandibuka. Gusti sagepok,beungkeutna ogé can diu-dar. Bray témbong baru-dak keur nungguan. Bapamun uih nyandak saté,pokna. Si Geboy dike -nyed.

Kawas milu atoh kudatéh ngabrét sangkilanghenteu dipecut. Langitlénglang haté caangnarawangan.

***

Page 33: Mangle 2474

Manglé 247432

CCarita Nyambung

Kuring teunyaho, nahanu kitu anudisebut cintasajati téh. Nupuguh mah

mémang kitu kanyataandeukeut layeutna kuring jeungMelani téh.

Najan bapana teu doa, tapiteu ieuh jadi halangan. Saba-likna malah. Hal éta pisan anungalantarankeun kuring jeungmanéhna hayang némbong -keun yén pilihan anu geus di-cokot téh teu salah, sarta teukudu disalahkeun deuih. Haléta pisan anu ngalantaran -keun angkeuhan téh beukirosa karasana. Manéhna jodokuring. Kuring jodo manéhna.Lain jodo keur satauneun duatauneun. Tapi kahayang mahnepi ka mangsana ganti alamkahirupan. Saupama kuringleuwih tiheula titirah di jerourugan taneuh, nya layonmanéhna anu engké bakalngedeng gigireun téh. Kitudeui lamun manéhna anuleuwih tiheula mulang kakalanggengan, kuring bakalnyadiakeun tempat gigir -

eunana pikeun jaga nyusulmanéhna.

Enya, kuring gé ngarti,loba kajadian rumah tanggaanu gagal di tengah jalan.Geus lain hal nu anéh deui, dageus loba kasaksian ku sora -ng an. Di lembur gé teu ku-rang-kurang. Malah aya ogéanu kawin karék bubulanangeus tingalabring deui kaKUA, ménta diragragkeuntalak ka panghulu. Kakara ka-harti ayeuna, lain cintana nusalah. Tapi pertanggung-jawa-ban hirupna anu amburadul.Lantaran dina pamustungan -ana cinta téh geuning teumatak jadi leuwih hadé ka numiboga rasa cintana. Ongkohcinta, tapi angger nyéléwérjeung awéwé séjén. Ongkohcinta, tapi teu tahan nyang-hareupan gogoda ti lalaki lain.Kakara kaharti ayeuna, lamuncinta téh dina enas-enasnamah mangrupa cukangsangkan jadi manusa anusagemblengna.

Kuring teu nyaho, naha nukitu anu disebut cinta sajatitéh. Nu puguh mah mémangkitu anu kapanggih ku kuring

ti Melani téh.“Serieus kitu Mel, kersa

kawin lari?” tanya kuring.“Teu seurieus ku naon?”

manéhna némpas deui.“Moal capé kitu? Atlét gé

da lain.” kuring ngaheureuyan.“Teu lucu!” manéhna

molotot deui bari ngagebug.Kuring ngan ukur nyengir.“Nu matak Mel wantun

ngalamunkeun ogé, Mel tosserieus. Moal mundur deui.Kira-kirana di masjid mananya, Yud? Di KUA mana?”

“Bakal ka KUA kitu urangtéh?”

“Nya muhun atuh. Ngarahsah ogé cék nagara. Ulahnikah siri.”

“Ari nu ngawaliananasaha?” Ahirna teu burungkedal ogé patalékan éta.

Giliran manéhna anungahuleng. Tapi teu burungpok.

“Saha wé. Asal jalminanyaaheun ka urang,” cénahsaréh.

10MUN ditogmolkeun, salila

ieu dina hirup asa teu kungsiboga tujuan nanaon. Teukungsi kuring mah ngimplengpikahareupeun téh. Balakabaé, hirup anu dilakonan teuleuwih ti runtuyan kamistian.Nu matak asa teu kaleuleuwihilamun disebutkeun ngalako-nan hirup téh éstuning sahi-nasna. Dalah kana tulas-tulisdina majalah jeung koran gé,anu sakitu digugulungna, asateu kaasup tujuan. Teu, kuringmah tina nulis téh teu bogapanyileukan nanaon. Jajauh -eun hayang jadi pangarang ka-sohor mah. Ah, nya resep baé.Pangpangna resep lebah

nampa honorna.Kitu deui dina urusan

sakola (malah ieu meureunanu pangpangna mah). Lainenya-enya hayang sakola, tapiasa geus kitu kuduna. Umurtujuh taun asup SD. Ti dinyanyambung ka SMP. Néma kaSMA (STM kétah kuringmah). Tuluy kuliah. Sakitungaguluyurna apanan, teu réararangkén nanaon. Saenyanabisa waé kuring gé tongsakola. Heueuh, da ari nungaranna hirup mah anggerapanan sok nyésakeun kénéhpilihan. Tapi meureunan bakaléra ku batur, da teu lumrahtéa. Katurug-turug deuih bakalhésé meunang gawé. Ari réknaktak mundak atawa kulimacul, balaka baé, embung!Kitu anu kapikiran téh.

Dina pamustunganana,cék kuring sorangan, sakolatéh tibang pikeun meunang -keun salambar ijasah. Salam-bar ijasah! Anu kudu ditebusku waktu mangtaun-taun, kuduit mangjuta-juta! Urusanélmu? Ah, remen kasaksian dikampus gé loba mahasiswaanu sok sugak-sogok ka dosén.Calon sarjana éta téh.Dosénna sorangan deuih lobanu resep disogok –malah ayakalana poksang ménta. Tugkana kacindekanana, sakolatéh teu leuwih ti omongkosong wungkul. Cék RoemTopatimasang mah sakola téhcandu. Heueuh, matak kitu géda bongan tujuanana soran-gan geus loba méngparna.

Nya teu matak hémengsaupama kuliah téh lalé-wodéh, da kalah ngagugu-lukeun “kuliah” di luar. Milungurus téater, aktip di organ-isasi, atawa diskusi jeung ba-

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

1818

Page 34: Mangle 2474

33Manglé 2474

baturan. Enyaan, di dinya mahloba pulunganeunana. Ém-piris deuih. Naha ari dinabangku kuliah euweuh pulun-ganeunana, kitu? Aya, moaldiangles. Tapi da bahan kuliahanu ditepikeun ku dosén téhjero-jerona mah tina bukukénéh, tina buku kénéh.Malah sakapeung mahpedaran dosén téh sok papal-ingpang jeung bukuna sorang -an. Alhasil, lamun kitu mahnya mending kénéh macabukuna langsung. Teu ieuhkudu ngarapih-rapih manéh,asup ka kelas, diuk dina korsi,tuluy unggeuk-unggeukanbadis kuda rénggongditabeuhan. Cék kasarna macabuku mah bisa bari miceun,bisa bari gogoléran, atawa baringalepus udud dibarung kunyuruput cikopi. Ni’matapanan? Mun aya nu teungartina, nya gampang, karitanyakeun ka nu leuwih ngarti(heueuh, ka dosén téa. Tapi dakitu geuningan, ari sakalieunkuring nanya ka dosén téhkalah dijawab ku pungak-pi -nguk. Leuwih parna deuilamun terus dimusuhan, dadianggap ngadebat).

Mun téa mah cara diajarsaperti kitu anu leuwih lobadipilampah ku kuring, saruaieu gé, teu didasaran ku tujuannanaon. Lain pédah hayangkaciri pinter atawa kaciri kutubuku. Teu kurang teu leuwihngarah kuring teu bolostrongteuing jadi mahasiswa téh.Keur mah loba bolos kuliah,bodo katotoloyo deuih.Bolostrong téa apanan nu kitumah?

Salian ti éta, dina lebahurusan rasa tanggung jawabka batur gé kaitung ipis kuringmah. Kuring teu wani ari nepika nyebut teu boga rasa tang-gung jawab pisan mah.Heueuh, da kalah kumaha baéogé hirup téh teu sorangan.Komo deui apanan dina hirupsorangan téh aya nu ngarannakolot. Ngan meureun lebahkadar tangung jawabna anukurang téh. Mun emas téamah tibang sababaraha karat.

Sagala rupa anu dilako-nan, teu weléh tanggungjawabna téh sok disanghare-

upkeun ka diri sorangan waé.Nu matak wajar saupama tala-jak téh loba kuma aingna. Asalteu ngarugikeun batur, asageus cukup ku kitu gé. Aritanggung jawab ka kolot so-rangan mah nyaéta ulah nepika ngajaheutan manah aranje-unna. Nu matak sakumahabasangkalna kuring, sakuma -ha léléwodéhna sakola (keurSTM gé remen mabal), arihareupeun kolot mah soknémbongkeun manéh téh aluswé. Loba nurut, daék ditutah-

titah. Malah sabisa-bisakalakuan goréng kuring téhulah nepi ka kauningaeun kuaranjeunna.

Ku tina anggapan yénhirup téh teu leuwih ti run-tuyan kamistian, nya wajarlamun saumur nyunyuhunhulu asa can kungsi aya jalmaséjén anu nempatan posisi is-timéwa dina hirup kuring(jalma séjén di dieu mah tang-tuna ogé awéwé.) Ti mimitijaman begér kunyuk nepi kakuliah, kungsi sababaraha kaligunta-ganti kabogoh. Tapipikeun kuring sorangan pere-nahna teu leuwih ti sisimpa -ngan. Taya binana jeungpirang-pirang terminal anukudu disimpangan heula kubeus anu keur ditumpakan.Teu ieuh bungah lebah nga-datanganana, teu ieuh tibelat

lebah ninggalkeunana.Enya, éta kabéh anu

ngalantarankeun kuring wanimegatkeun Astri téh. Pikeunkuring sorangan manéhna téhda asa teu gedé hartina. Ukurkaasup salah sahiji tina sakitulobana “terminal sisimpang -an” téa. Meureun geus kitukuduna, kungsi kacaturreureujeungan jeung manéh -na. Urusan bogoh? Heueuh,geus disebutkeun apanan: ka-teuing. Nu écés mah kuringteu kungsi boga maksud

hayang salilana reureujeunganjeung manéhna.

Tapi éta anggapan anusakitu lilana nyaliara téhsaterusna mah bet kungsi tiba-lik ogé. Kuring kungsi ngarasaamprok jeung ‘terminalpangeureunan’. Kuring kungsingarasa boga tujuan hirup.Kuring kungsi ngarasa bogatanggung jawab lantaranhirup kuring gedé hartina keurbatur. Lantaran hirup kuringlain keur kuring soranganwungkul. Enya, ti saprak pa-heut jeung Melani.

Aya mangsana kuringmanggih hal sarupa kitu tiMelani téh. Tapi teu kungsikapikir ti anggalna, kumahalamun manéhna anu dianggap‘terminal pangeureunan’ téhilang tina kahirupan kuringsorangan.

***Mun dipikiran deui

kalawan teleb, saenyana bohkuring boh Melani teu kudureuwas saeutik-eutik acan.Rék kitu téa mah pantes.

Sahenteuna atuh da ba-pana téh pejabat. Sarta geusjadi rusiah umum lamun in-stansi pamaréntah di urangmah kitu buktina.

Enya, teu singna kudureuwas saenyana mah. Tapiangger baé ari lebah kadéngéku ceuli sorangan mah lirgelap salésér tengah poééréng-éréngan. Ulah boromanéhna, kuring ogé ngaran-jug basa nampa béja yén ba-pana Mel... ditekuk pulisi!Indungna anu harita nelepontéh, bari ceurik rawah-riwih.Laju harita kénéh langsungbaé kuring indit ngaboncéngMelani ka imahna. Teu kungsinyorang balik ka imah heulacénah bapana téh.

Da sanggeusna dipariksalangsung nyirekem di kantorPolda.

Harita pisan kuring mimitinincak imahna téh.

Kasampak indungna keurnyuuh dina korsi di tepas. Sa-datangna ka dinya tuluy diga-brug ku Melani. Duaanpaungku-ungku. Kuring mahukur wasa diuk camekblekwaé dina korsi. Bingung pi-lakueun, kudu kumaha nyang-hareupan éta indung jeunganak anu keur tunggara.Hayang ngupahan, tapi naonanu kudu diomongkeun? An-tukna leuwih milih cicing.Kuriak pipilueun mah bisidisebut kokolot begog.Mangkaning pasualan anukeur disanghareupan téh ka -wilang beurat.

Saterusna gé kuring teuréa tunya-tanya. Ka Melaniukur mapadonan sangkanulah balik deui ka kontrakan.Tapi disina cicing maturan in-dungna. Heueuh, tuda budakcikal ngaranna ogé. Ari diimah keur aya papait mahkasebut pangwajibna nugu-ran. Ongkoh deuih indungansorangan ngaenyakeun kuunggeuk.

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2474

Jaman kiwari, nu dagangrupa-rupa pisan caranasangkan daganganana

payu. Salah sahiji nu kajadianlucu nu aya perkara patula-patali jeung dagang nyaétanu kaalaman ku kuring dikantor tempat kuring nyiarkipayah.

Geus ilahar nu dagangasongan téh jaman kiwarimah, lain waé di jalan atawadina beus, tapi ogé sok arasupka tempat gawé, kantor,sakolah. Malah dagangna téhngahaja ku awéwé ngora nukeur meumeujeuhna hérang,ABG nu ngadagangkeunanaogé, “sales girls” téa lamunceuk istilah jaman kiwarimah. Harita ka kantor aya nudagang parabot dapur, sagalarupa aya sabangsa: katel,panci, teko, jeung sagalarupa. Tapi cenah ceuk salesgirls nu ngadagangkeunanatéh, ieu mah parabotna geussarwa modern.

Ibu-ibu nu araya di kan-tor mah kabéh ogé teu bu-rung kagoda, bubuhan meu reun parabot dapur mahbarang nu deukeut jeung sokdipaké ku maranéhna. Arikuring jeung pagawé lain nusarua lalaki mah teu patikataji ku parabot dapur mah.

Sugan téh moal nanawar -keun ka kuring, tapi horénggeuning ka pagawé lalaki ogésales girls téh meunicapetang nanawar keun. Geusditolak sababara ha kali ogé

keukeuh ngang sreg barinorolang ngajélaskeun fungsijeung kagunaananana nucenah loba mawa mangpaat.

"Sawios pameget ngaga -leuh parabot ogé, éta téh tan-dana nyaah ka bojo," kituminangka pangolo sales girlstéh.

"Étang-étang kanggo ha -diah sareng kejutan," keu -keuh nanawarkeunana téh.

Ari keukeuh diangsregmah teu burung rada karu -nya ogé, meureun matakbébélaan dangdan seksijeung ngangsreg nanawar -keun barang téh bakat teuingku butuh duit, butuh ku numeuli. Bari jeung teu nyahobarang naon nu di imah geusruksak, meuli waé kuring téhkatel. Katel anti léngkétcenah ceuk si sales girls téh.Bari jeung duka butuheunduka henteu pun bojo nu diimah téh.

Ngan édas harganameuni mahal, 150 rébu. Teubisa ongget-ongget, di tawar100 rébu kalah gumeulis.Malah keukeuh kahayangnamah dileuwihan. Tungtung -na mah dibeuli waé katél téh,bari jeung teu nyaho nanaonogé. Lain kuring waé nu ka-paksa meli téh, karyawanlalaki lain ogé saru, aya numeuli teko, panci, jeung saja-bana.

Nepi ka imah, bener waepamajikan téh siga nu geusdisangka saméméhna, lain

atoh tapi kalah semu-semubaeud. Da meureun nyanya-hoanan meuli parabot dapurteu kompromi heula ka patihgoah.

"Keur naon meuli katel,teu gugur teu angin. Barinaogé katél mah geus boga tilu,"kuring sajongjonan mah bi -ngung kumaha pialesaneun.

"Ieu téh tadi keur ayadiskon, inget Nyai janten waédipésér," cekeng téh.

"Sabaraha hargana?" "Diskon 50%, hargana 75

rebu," cekeng téh ngabohong.Da dibéjakeun harga nusaenyana mah pasti di-carékan.

Isukna balik ti kantor pa-majikan hariweusweus, pa-jarkeun katel aya nu meuli kuBi Ina, tatangga kuring.Wani eun 100 rebu.

“Lumayan Pa, aya bati 25rebu,” ceuk pamajikan téhsiga nu bungah.

Ngan kuring waé nu radahandeueul téh, da lamuninget kana harga sabenernamah, katitih rugi di jual saki -tu téh. Henteu betus, dirusi-ahkeun waé perkara katéltéh. Ngan duka tah lamunpamajikan maca ieu tulisanmah, moal meureun ambekmah, ngan rada manyunjeung baeud waé.***

KatélKu Hilman Nataprawira

Manglé 247434

Page 36: Mangle 2474

Madu

Sigana ampir kabéh nyaraho kanamadu mah pédah éta loba khasi-atna keur kaséhatan, loba jelema

anu ngonsumsi komo kana madu nuasli mah, kajeun rada mahal hareganagé teu burung dibeuli. Rupa-rupa madutéh pédah di tiap daérah aya sarta bogakaunggulan masing-masing, kaayeuna -keun geus loba madu nu béda-bédarasana, aya madu rasa rambutan, rasakopi, rasa apel jeung réa-réa deui, pédahsayang nyiruanana bener-bener diurussarta taliti di petemakanana.

Teu gampang néangan madu nu aslitéh mun kurang-kurangna urang ngartimah, sok kabohongan waé ku nu nga-jualna, pajarkeun téh madu asli, tulen tina sayangna ngalana gé cenah turun gu-nung unggah gunung, na tatangkalannu jangkung arang kasaba ku jelema,padahal ari ditaliti téh loba campurangulana batan maduna. Kungsi kuringdikirim ku babaturan ti daerah Sum-bawa, cenah mah asli madu ti leuweunggeledegan, kuring percaya wé da keurubar téa geu ning cék kolot gé ari yakinmah pasti hiji ubar téh bisanyageurkeun sababaraha panyakit. Kur-ing mah percaya jeung yakin tea, tilupoé sakali nginum endogbeubeureumna dicampur jeung madu,komo ari tas olah raga mah pangpangnamengbal, endog beubeureumna sakalinginum téh dua dicampur madu sauku-ran gelas leutik paragi nyieun cikopi,genah puguh gé kana awak saentasnanginum téh pararegel leungit awakharampang. Geus heubeul batur kuringcan ngirim-ngirim deui madu keur kur-ing, padahal mah geus sabara kaliditelepon teu nyambung waé teuing ku-naon tah ki sobat téh sigana mah kar-tuna ganti ku nu séjén. Madu nu asli tiSumbawa geus béak, da biasana mahtilu bulan sakali pakét madu geusdatang tara elat siga ayeuna, éta gékungsi maké madu nu séjén ngan nyak-itu rarasaan téh khasiatna kurang man-jur mun dibandingkeun jeung nu biasakuring maké kajeun gunta-ganti mérekitu mérek ieu gé tetep teu nyuge-makeun.

Kakara nyaho harita ti kang Ujang,

ari wawuh jeungmanéhna mahgeus lila dasapagawéan

ngan pédah lain bagian. Basa barengdahar di kantin, sabari dahar téh ngo -brol ngaler ngidul nu tungtungna nyari-takeun sual madu, cenah manéhna mahgeus mangtaun-taun ngagunakeunmadu téh, nginum jamu maké madu,nginum endog beubeureumna campu-ranana téh madu, mun nyieun cai téhamis ge rasa amisna téh ti na madu taraieuh make gula. Ari maduna geus pastiasli da meunang ngala ku sorangan tileuweung, mun gawéna keur peré taracicing di imah ieuh ngulampreng wé dileuweung bari tatanggahan ka natangkal kai nu gedé luhurna gé leuwih tisapuluh méter. Biasana mah nyayangnanyiruan dina tangkal kapuk nu gedésagedé beuteung munding, dina da-hanna ngagendok sagedé sééng, nyirua-nana ngumpul ngagonyok mang rébu-rébu ngabulen sayangna nu pinuhku madu.

“Ari butuh madu mah, keun kusayah dipangmawakeun,” ceuk kangUjang basa lekasan dahar.

“Asli teu maduna?” tembal kuring.“Pan tadi ku sayah geus diobrol -

keun, ngala sorangan ti na sayangna!”ngajawab kituna téh bari ngaheboskeunhaseup roko tina irungna bangun nimatpisan.

“Enya sok atuh pangmawakeunsabotol mah, sakalian keur persediaan,”paménta kuring sumanget pédahmaduna asli.

“Pagéto wé nya, da kamari ku sayahditempo téh dina dahan kapuk geuswaktuna dipanen ngan can aya waktu!”ceuk kang Ujang ngajangjian ka kuring.

Pagetona ku kuring didagoan, kangUjang teu katempo gawé teuing kamanapadahal geus jangji rék mangmawakeunmadu, duit geus disadiakeun keurmeulina najan can nyaho hareganasugan moal jauh beda ti madu Sum-bawa. Basa istirahat sakumaha biasadahar di kantin bareng jeung batur nuséjén, puguh gé sok resep ari daharngariung mah sok matak ponyo. Bérésdahar ngalobrol bari singpeledugngararoko. Panon kuring nitenansabudeureun rohangan kantin susug-anan kang Ujang aya di dinya keurdahar, ngan weleh euweuh padahal mahimeut pisan nitenanana.

Keur jongjon ngobrol aya budakngora datang nyampeurkeun kuring,saacana ngong ngomong nyerengeh bariunggeuk.

“Punten bade tumaros, dupi pa Ayiaya di dieu?” ceuk eta budak ngorananyakeun pisan ka kuring anu diuksameja jeung babaturan.

“Abdi nyalira pun Ayi!” jawab kuringbari males nyerengeh.

“leu katitipan ku kang Ujang,kanggo bapa!” pokna deui bari solong -krong sasalaman.

“Naon nya ieu téh?!’’ kuring maliknanya.

“Madu, saurna mah!’’ ngomong ki-tuna téh bari ngasongkeun botol nudieusi madu.

“Ari kang Ujang na, kamana?” ku -ring nanya pedah panasaran.

“Nyeta keuna ku musibah, pa!” nga-jawabna laun, tapi atra kadenge.

“Har, kunaon kitu?!!’’ kuring kagetngadenge kitu téh, padahal mah basakamari ngobrol jagjag waringkas.

“Nyeta diseureud nyiruan, basa keurngala madu!” pokna deui, “mastakajeung rarayna barenjut, barareuh komopipina mah kararembu teu beda jeungbeungeut Gajah Mada!”

Madu nu di na botol ku kuring dita-mpanan, diilik-ilik teu pinuh ngansatengahna keun wae lah tibatan eu-weuh.

“Tos dipariksa ka dokter?” kuringpanasaran.

“Henteu, dilandongan we di bumidibalur ku landong tradisional” jawabnangayakinkeun. “Untung teu ragrag gemangkaning tangkal kapukna luhurpisan, sedengkeun nyiruanana nyerangsakilat naker meni ngagimbungluhureun sirah!” manehna nerangkeunpanjang lebar.

“Saurkeun we ka kang Ujang nya,engke bapa tos damel rek langsung nga-longok kituh!” pesen kuring.

“Mangga, ke ku abdidisanggemkeun!” ceuk eta budak ngorateh bari ngaleos ninggalkeun kuring.

“Kang Ujang kang Ujang, tepi ka ki-tuna melaan madu keur kuring.Karunya!” gerentes hate kuring barimirengkeun nu ngaleos bieu.

Ayi SopandiPasar Gardu Jl. Makmur No. 84

RT 003/07 Lubang BuayaJakarta Timur 13810

35Manglé 2474

Page 37: Mangle 2474

SatoGuru : sebutkan binatang-bi-natang yang berbisa?Ado : Cakcak bu! Guru : Naha cakcak?Ado : Pan bisa ngarayap dinatembok.Guru : berbisa!!!! Lain bisa...

Ryan DarmawanJl. Jamika No. 45

Menu Héés+ sare wae gawe teh?- Tuda menu-na nu kitu wae.+ kitu kumaha? Pan geuskumplit.- Senen tumis kangkung.Salasa urab kangkung. Rebo,lotek kangkung. Kemis pecelkangkung. Jumaah sayurkangkung. Saptu lalab kang -kung... tah matak ayeuna poeminggu tinggal kulemna.

Ryan DarmawanJl. Jamika No. 45

KatawisOnih : "Aa jomblo nya?"Dudu : "Muhun, naha apal?"Onih : "Katawis wé dinararayna, rada nguluwut...

Astri SJl. Gurame no. 123

BuukNono : Mun buuk bodasngaranna naon?Nuni : Huis!Nono : Buuk beureumNuni : Pirang!Nono : Mun buuk hejo?Nuni : Eeeuu.... teuing ah...Nono : Nya buukna can asak,da ari geus asak mah pasti ko-neng.

Astri SJl. Gurame no. 123

Lalajo BolaUjang : “Wang lalajo persibyu.”Odi : “Hayu.., tapi naha étadomba manéh dibabawa?”Ujang : “Pan uing déksakalian ngangon, keur

haroréam ngarit..”

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

PembalapAki : “Kieu-kieu ogé, keurngora mah pembalap bapatéh..”Ujang : “Waahhh!!??”Aki : “Heueuh, pembalapkarung..!”

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

CigaNyai : “Aa iihhh… dinten ieumah katingalna imut pisanciga orok.”Omo : “Masa sich?”Nyai : “Muhun a, ciga orokdomba.”

Asep MahpudinSDN Haruman Sari – Garut

Dunia lainHost : “Apa motivasi kamuikutan dunia lain?”Endul : “Hayang meunangsangu kotak..”

Asep MahpudinSDN Haruman Sari – Garut

Gula KopiAa : “Néng.... keur naon aya

gula pami aya enéng di dieu…”Enéng : “Nya, teruuss abdibadé ditinyuh jeung kopi kuAa?”

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Teu Bisa MacaBu RW: “Éta Si Aki maningadekul kitu. Nuju macanaon Aki?”Aki: “Ieu Bu Lurah, maca ro-hangan Ha... ha...”Bu RW: “Teu raramé nya Aki,Ha... ha... jaman kiwari mah?”Aki: “Puguh mani ramématak Aki pogot ogé.”Bu RW: “Geuning atuh Akiteu gumujeng?”Aki: “Da Aki mah teu bisamaca!”

Fitri WulansariBandung

HAJITilu budak keur paagul-agul.Budak 1 : Indung bapa uingmah geus jaradi haji. Disebut -na oge pa haji jeung bu haji.Budak 2 : Komo uing, lain in-dung bapa wungkul. Aki, nini,ua, amang, bibi. Kabeh geusjaradi haji. Hebat pan.!Budak 3 : Hebat indung bapauing atuh.

Manglé 247436

Page 38: Mangle 2474

Budak 1,2 : Naon hebatna.?Pan indung bapa maneh mahcan jadi haji.Budak 3 : Kolot-kolot manehmoal jadi haji lamun lain lan-taran inding bapa uing.Budak 1,2 : Nahaa..??Budak 3: Pan indung bapauing calo hajina.

Yusuf Yuhendi

BanjirUjang : "Do, ieu pulpénmanéh nya?"Dodo : "Heueuh."Ujang : "Buatan Balé Éndahnya?"Dodo : "Nya atuh, na ningapal?"Ujang : "Ning ieu banjir wae!"

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Masih WarasBibi: “Cing atuh Mang singaya gadag. Sing getol usahatéh supaya loba duit.”Emang: “Nyaéta kuring mahembung loba duit téh sababmasih boga pikiran waras.”Bibi: “Maksudna?”Emang: “Pan lamun loba duitmah pasti disebut sato kubatur téh nyaéta beruang.”

Fitri WulansariBandung

KampanyeCaleg: “Pokona mah mun ku -ring jeneng jadi anggotadéwan, pabrik sapatu, pabriktektil rék dilobaan.”Baladna: “Pa, kirang ‘S’ Pa!”(maksudna nyebut tektil téhkurang ‘S’ henteu tékstil).Caleg: “Oh enya. Pabrik és gérék diwangun.”

Tina ‘Borangan’kénging Kang Taufik F.

KartiniJl. Moh. Hatta 47

Tasikmalaya

MatakBudak: “Ema mun ngadaharjéngkol loba teuing mataknaon?”Indungna: “Jéngkoleun!”Budak: “Ari ngadarahar peu-

teuy loba teuing?”Indungna: “Ceuk bapa manéhmah matak peupeuteuyeun.”Budak: “Lamun ngadaharjéngkol jeung peuteuy disaka-likeun matak naon?”Indungna: “Bahaya! Matakmoal aya anu daék diajakngobrol.”Budak: “Naha?”Indungna: “Baueun!”

KartiniJl. Moh. Hatta 47

Tasikmalaya

KudaX : Kuda naon anu sukunahiji.?Y : Kuda catur atuh.X : Bener.! Kuda naon anusukuna dua.?Y : Kuda lumping.X : Bener deui euy.! Ari anusukuna tilu, kuda naon.?Y : Kuda.. Kuda buntung..!X : He.he.. bener deui lah.Kuda anu sukuna opat.?Y : Kuda walagri..!X : Bisaan.. Kuda anu sukunalima.?Y : Kuda..Kuda..X : Ku daekan mikiran silaingmah (bari lumpat)

Yusuf Yuhendi

Batu“Urang mah boga batu nungaluarkeun seuneu!”“Wah batu naon?”“Batu paneker deuleu!”“His, sugan teh naon!”

Yadi RamadanLido – Sukabumi

Rek MeuntasKi Sarkawi keur di stasionkareta, luak lieuk jiga ayanu diteangan. Kabeneranaya patugas PJKA.“Punten jang, ari kareta tiJakarta jam sabarahadatangna”? Ceuk si aki kapatugas PJKA.Patugas: Sakedap deui ki,kinten kinten jam sabelasAki: Ari kareta anu ti Tasikjam sabaraha ngaliwatna?”Petugas : Eta mah lamikeneh, engke jam satu. Ariaki bade kamana kitu?

Aki: Puguh aki teh rek me-untas erel tapi sieunkatubruk kareta

H. TaufikJl. Bima V no 11

Bekasi Selatan

NahaDoni: “Naha milih artisbasa kamari pemilu, Bu?”Tati: “Pan basa maen dinasinetron anu, manehnasakitu someahna jeungbageurna. Cocok pisankeur jadi wawakil urangteh ari nu hade budinamah.”Doni ngagerentes baringarahuh dina hatena:“Eta mah ngaranna oge ak-ting atuh Bu.”

Hilman NataprawiraGekbrong – Cianjur

ProfesiDoni: “Profesi samemehnaanggota DPR, DPD,DPRDnu aya di Senayan tehlolobana artis, matak tongheran lamun anggarankeur ngagajihna gede oge.”Tati: “Naha?” Doni: “Kawas nu teu nyahowae Euceu mah, kumahakahirupan artis di urang,apan baroros jeung royalkabeh.”

Hilman NataprawiraGekbrong – Cianjur

PemiluTati: “Pemilu ayeuna mahnu meunangna lain partai!”Doni: “Har, naon atuh?”Tati: “Golput!”

Hilman NataprawiraGekbrong – Cianjur

Mimiti Asup SakolaDi Kelas 1 SD NegeriBarakatak, Ibu Atun ngab-sen barudak nu kakaraasup poe harita.Bu Atun : Barudak Ibu rekngabsen heula, sakalianhayang apal ngaran hidepkabeh.Murid : Muhun, Bu....!Bu Atun : Ali Imran!

Ali (ngacung) : Abdi, Bu....Ali!Bu Atun : Imas Maesaroh !Imas (ngacung): Abdi,Bu.... Imas!Bu Atun : M. Yadi Suryadi!Yadi (ngacung): Abdi,Bu.... Yadi!Bu Atun : Yadi...,wartoskeun ka rama hidep,upami ngadamel namikedah kreatif kituh. Upaminami payunna tos Yadi,panjangna ulah Suryadi.Ngisinkeun ah, bilih pajarurang Sunda teh henteukreatif.Yadi : Mangga, Bu.Urang wartoskeun ka PunBapa.Bu Atun : Tah kitu.... DupiEm (maksudna M.) nu di-payun panjangna naon,Yad?Yadi : Maryadi, Bu.....!Bu Atun : ...???

Ags EmdeSMIQ 33, Margahayu,

Bandung 40227

Jam“Hirup, dalit jeungmanusa, malah sok diarahgawena. Dilelepkeun jeungdikeueum dina cai ogeangger teu paeh-paeh,naon cing?”“Lauk pasti nya?”“Salah, nu bener mah arlojiwater resis. Hehe”

Yadi RamadanLido – Sukabumi

Batu Ali“Abong tukang batu ali,Lurah Jana mah mas kaw-inna oge mere cincin batuali ka neng Misna.”“Atuh, oge bisa meuli batuali mah, teu kudu dipakemaskawin.”“Bisa teu, watangna emasmurni, batuna make batuberlian asli?”“Ampuuunnn...”

Yadi RamadanLido – Sukabumi

37Manglé 2474

Page 39: Mangle 2474

Manglé 247438

NU kasebut tutuwuhanatawa beubeutian, turbeunang melak urangsorangan, ana rékdiala mah kudu wé

sanduk-sanduk papalaku, méntaidin heula ka Nu Bogana. Kitu nu di-ajarkeun sacara teu langsung kuurang Baduy ka urang, ngaliwatansalah sahiji babasan nu hirup di étawewengkon, ti baheula tug nepi kaayeuna. Cék urang Baduy téh, nge-duk cikur kudu mihatur, cokél jahékudu macarek. Cikur jeung jahé,apan barang nu cék saréat mah ka -wilang teu sapira. Tapi sok sanajankitu urang Baduy mah teu saga -wayah. Teu padu ngeduk, teu padunyokél. Kudu nyarita heula. Kudubebeja heula. Ka saha? Ka nu bogaieu alam, ka nu nyipta ieu alam. KaAnjeunna. Cacak kanu barang teusapira, apan cék urang Baduy mahurang téh kudu ménta heula upamaurang butuh téh. Sok sanajan étabarang téh sasat urang nu bogana,dipelakna ku urang, dipiarana kuurang. Ana kitu mah mana komo kabarang batur, barang anu geuskaruhan lain hakna. Kitu sikep urangBaduy mah. Sikep jalma-jalma nuaya di wewengkon nu pangeusinakacatur carang takol. Tara nyaritamun sakira teu perlu.

Éta aribasa nu diparaké kénéh kuurang Baduy téh sawanda jeungparibasa lianna anu hirup di urang,di saluareun Baduy. Paribasa nuunina, “mipit teu amit ngala teuménta”. Paribasa anu dilarapkeun -

ana ka jalma tukang ceceremed,cakat-cokot kana barang batur.Paribasa nu kahiji, nu hirupna diBaduy téa, mun disurahan leuwihdaria mah apan ngandung harti anujero, Ngandung palsapah hirup nuluhung. Babasan anu kadua gé apanjero hartina, papada ngandung pal-sapah hitup. Nu kadua mah sipatna“garis badag” (gradual, diakronis),ari nu kahiji mah sipatna “mucuk”(parsial, sinkronis).

Paribasa nu kadua, upama dis-urahan mah mangrupa pépéling kaurang sakabéh, naon baé pakasa-banana, malar ulah padu “mipit”ulah jangji “ngala” tapi kudu “amit”heula, kudu “ménta” heula. Hartinanu leuwih jauh mah, “ulah sok cukat-cokot kana barang nu lain hakna.Ulah sok babadog-rarampog. Dilara-pkeun kana pajamanan ayeuna mahhartina téh ulah korupsi. Geus puguhlain duit hakna hayoh kalah di -pibanda. Ilaharna, ari kangaranankorupsi mah apan lain duit leutik.Ukuranana gé trilyun atawa milyaranu urang teu apal kawas kumahabungkeuleukanana.

Kapan ari nu disebut korupsi téhngagasab duit nagara, Ari duit na-gara apan meunang kukumpul ti ra-hayat. Rahayat dipentés mayarpajeg. Mun geus kumpul dipulang -keun deui ka rahayat dina wujudpangwangunan, malar rahayat ra-harja. Jadi, mun duit nagara diko-rupsi, hartina teu nyaah ka rahayat,Malah merenah mun disebut dholimogé. Ku lantaran kitu, sakumna ra-

hayat anu ngarasa dirugikeun kuketak para pamingpin nu ngagasa-ban duit nagara, ngarojong pisankana sugrining léngkah nu dipilam-pah ku KPK (Komisi PemberantasanKorupsi). Ku lantaran kitu, rahayatnu antikorupsi manghérankeunkana ketak pihak-pihak lian nuhayang ngahéngkérkeun KPK. Un-dang-undang KPK anu geus ka -wilang hadé, réa pasal-pasalna anudisulkeun diganti. Lamun digantihartina KPK baris jadi héngkér.Lamun KPK héngkér atuh korupsitéh tinangtu baris mingkin mahabu.

Ku paribasa nu kahiji, anu unina“ngeduk cikur kudu mihatur, cokéljahé kedah macarék” téa, urang di-wawadian kudu kumaha sikep urangenggoning nyanghareupan “nu laleu-tik”, nu “ukur” cikur atawa jahé. Rékleutik rek gedé, sakur nu aya dinalingkungan kahirupan mah tangtu“aya nu bogana”. Nya kanu boganatéa urang wajib bébéja téh.

Teu meunang sagawayah ngam -pihan, kawas ka banda sorangan. Étaparibasa mintonkeun luhungnaurang Sunda dina enggoning nga-jalanan hirup kumbuh, Babasan diluhur mintonkeun luhungna “keari-fan lokal” (local wisdom) urangSunda. Upama sakabéh jalma nudipercaya jadi pamingpin, boh di ék-sékutifna, legislatifna, atawa yudika -tifna, nyekel palsapah hirup saku ma ha nu diréngkolkeun ku karuhunurang dina babasan di luhur,tinangtu moal aya nu mikir-mikirhayang korupsi.***

DI KIWARI MACA BIHARI Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Guguru ka Urang Baduy

Page 40: Mangle 2474

DDongéngAkiGuru

Baheula, di hijipatapan di gu-nung Patuha,aya pandita anugentur tapana.

Anjeunna kagungan putraistri ngan hiji-hijina. Abongterah pandita tabéatna éstusoléh kacida, jeung nurutkana omongan kolot.

Nincak umur sawawaadat na anger taya robahna,matak pikaresepeun jeungpikayungyuneun batur, keurgeulis téh, katambah kasipuhkubudi perangi anu manisdeui atuh puguh wé mataktibelat anu kagembang,matak kapidangdung anukaduyung. Anéhna, najanpanglamar datang ti ditu tidieu, tapi kumanehna eu-weuh anu ditarima lantaraneuweuh anu cop jeunghaténa. Dina hiji mangsa, ayahiji jajaluk, hiji aki-aki anukacida goréng patutna.

Awakna rangkébong alatannahan lapar, sirahna lilin-ieun, pipina kemong, panon -na bolotot nolol, kulitnaparéot, pinuh ku borokmatak pikagilaeun, leum -pangna jumarigjeug ru-mangjieung. Atuh puguh baésaurang ogé moal aya anunyangka yén éta téh panditaanu keur nyamar kabeneranharita téh dipatapan, ramananyi mojang nuju teu aya.

"Sampurasun nyai geulisAki lapar aki teu acan tuangnyai," ceuk pandita nu nya-mar jadi nu jajaluk.

"Rampes Ki, mangga kale-

bet abdi bade nyandak sa -nguna heula," ceuk Nyimo-jang. Sabada dahar, ayakajadian anu ahéng. Anu ja-jaluk téh ngusap beungeutna,teu kungsi lila salin jinis kanarupa asalna, nyaéta panditanu kasép euweuh duananyaéta pandita linuhung. Nyimojang ngan ukur bisahareugeueun hemeng.

Ki Pandita ngarasa nyakinyén éta mojang téh awéwésayakti. Awéwé anu geulislain luarna hungkul, tapigeulis parat nepika haté-haténa. Jorojoy aya rasamelang, boh bisi Nyi Mojangaya nu ngarogahala. Méméhmulang, Ki Pandita merekeris ka Nyi Mojang, sartapok nyarita bari omat-omatan, "leu Aki méré keriskeur hideup, gunana pikeunngajagadiri. Ngan omat ieukeris téh ulah jatuh ti dirihidep, sarta teu meunang di-tunda dina lahunan."

Kocapkeun dina hiji mang -sa, Nyi Mojang geus diangir.Bari moyan nuhur keunbuuk, manéhna neuk teukankuku. Abong manusa sokkeuna ku poho, nya kitu deuiNyi Mojang. Lat baé pohokana amanat Ki Pandita téa.Keris téh ku manéhna di-tunda dina lahunan. Aribarang inget, gebeg manéhnangagebeg, reuwas kacida,ngarasa kaduhung geusngalanggar kana amanatnaKi Pandita. Pangpangna mahbisi aya matakna. Henteusalah tina sangkaan, les baé

keris anu aya dina lahu-nanana téh leungit tanpailang tanpa karana, teuing kamana losna.

Tujuh bulan ti harita, tisaprak Nyi Mojang kaleungi-tan keris téa, manéhna hen-teu weléh dikungkung kukabingung. Ari sababna, NyiMojang ujug-ujug kakandu -ngan, bari jeung teu rumasakungsi bari ngalakukeun pa-gawéananu nirca méngpartina papagon agama jeungdarigama.

Reup peuting, bray beu-rang, Nyi Mojang beuki teungeunah cicing. Anu jadi ka-hariwang, taya lian ti lan-taran manéhna kakandung an anu teu pupuguh téa.Waktos ramana sumping kapatapan, kacida benduna.Disangkana anakna téh geusngalakukeun pagawéan anunirca. Nyi Mojang susumpa-han yén manehna henteungalakukeun éta pagawéan.Tapi keukeuh ramana mahhenteu percaya. Malahan ra-mana ménta bukti. Lamunenya Nyi Mojang masihkénéh suci, kudu bisa min-dahken nu tujuh pasir dinawaktu sapoé-sapeuting.

Teu bisa majar kumaha.Dina kaayaan bubureuyeu -ngan Nyi Mojang ngalak-sanakeun pagawéan pamén ta ramana, mangkaning lainpagawéan énténg-énténg.Tariking milik jeung gan-jaran keur jalma anu soléh,teu lila kadéngé sora menitara. "Ibu, tong janten emut -

an teuing teuing, kasesah ibunya kasesah abdi. Nya alatanabdi pisan Ibu janten nan-dangan tunggara. Wios ieupadamelan téh urang reng -sekeun ku abdi," éta sora téhtetela kaluar tina jero be -teung. Anéh pisan, tujuhpasir anu galede téh dinawaktu sapoe-sapeuting geusbisa dipindahkeun. Taneuhna ngagugunung ngajang -gelek jadi hiji gunung anuluhur. Sanggeus nempo pa-gawéanana bérés, Nyi Mo-jang mulang nepungan deuiramana di patapan. Ahimaramana téh percaya papagonagama jeung kapercayaan -ana. Buktina, pagawéan anusakitu banggana bisa dilako-nan ku Nyi Mojang. Ramanangahampura. Ngan anéhna,sabada dihampura ku ra-mana, kakandungan Nyi Mo-jang ogé ngaleungit, sartarobah deui jadi keris.

Masarakat anu aya disabudeureun patapan geun-jleung pabéja-béja, antuknanarekab ka pilemburan yénbener putri Ki Pandita téhsakti tur masih kénéh ayadina kaayaan suci. Ari gu-nung anu asalna tujuh pasiranu dipindahkeun ku NyiMojang téa, ku masarakat didinya dingaranan GunungGeulis.

Gunung Geulis téh pereh -na di wewengkon Desa Cipe -lah, Kacamatan Ciwidey, Ka bu patén Bandung.***

(T. P. Rahmat Hadian)

Sasakala Gunung Geulis

39Manglé 2474

Page 41: Mangle 2474

Manglé 247440

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2474

41Manglé 2474

A. Purwa caritaDulur sarumpun béré Malaysia nu

anyar kamusibahan maskapai penerba -ngan nu make pesawat boeing 777 nu anyarbéré pikeun nganteur panumpang tiKualalumpur rek ka beijing, anu kudunageus tepi ieu leungit teu kasusud ku radarbéré meh kodena Malaysian airlines MH370, ratusan panumpang nu rek ka manca -negara béré teu tepi kanu dijugjug, 8 warganegara Indonesia kabawa leungit ti tanggal8 Maret 2014.

Open house gusti Alloh SWT, mun di-jentrekeun mah maraneh manusa nu ayadina kapal Malaysian air lines MH 370,hayu urang baralik ka kami, atuhdipanteseun ana urang ngucapkeun “In-nalillahi wa inna lillahi rojiun” muga arwahpara panumpang anu ilang tanpa lebihmusnah tanpa karana di tampi ku manten -na.

Berita dina surat kabat , dina televisibéré neangan kapal ieu rek ditareka kurobot canggih nu dipiboga ku Australiabéré ku Inggris pedah béré Inggris bogakawajiban ka nagara semakmuran nu mistidiaping di jaring komo mun ieu kabeneranmusibah.

Jerona lautan samudra hindia nu saki -tu upluk aplakna kapal induk béré di lautansarupa kieu mah ukur sagede menel komodeui ka jero laut anu ceuk cenah jeronameh 4-7 km sigana mun make kapal selambéré dina jerona kitu duka bisa teuleumduka moal.

Breh weh dina pikiran nagara adi dayanu sok ngarame keun dunya sapertiAmerika, Inggris , Australia neangan kapaldi dasar jaladri mah teu daya teu upaya,beh dituna teu yakin kana kamampuhkapal induk, kapal selam bobogaan negaraadidaya sanggup teuleum di samudra hin-dia.

B. Béré nu jadi pikirPerkara leungit kapal terbang mas

sigana peringetan keur urang bérékakawasaan Allah SWT di darat, di laut, diudara, itung-itung hade jeung tatangga,Indo nesia béré milu neangan sugan ka-

parengan aya tanda, ngan lapur teu ayaurut-urutna acan, ahli waris teu kabeja -keun aya nu ngimpi didatangan ku nu leu -ngit, saperti nu karandapan ku panumpangnu cilaka, waktu kapal dagangan Rusianabrak gunung salak di Bogor.

Breh weh aya béré nu pohara matakreuwasna béré Malaysia boga programbéré dina tahun 2023 misti tiasa ngalulus -keun 60.000 PHD, keur karaharjaan jeungkamajuan nagri jiran jaga, nu kiwari bogapenduduk meh 15 juta jiwa.

Ari Indonesia emas 2045 nu dimimiti -an ku Indonesia tahun 2025 anu maju dinalalakon kesejagatan, ari kieu mah tahun2023 Malaysia geus boga 60.000 PHD,lulu san dalam jeung luar negeri.

C. Kanyataan Nagara IndonesiaKalayan ku pinuh rasa sugema bapa

Dirjen Dikti tos nyoret usulan PTN “X” ala-tan manehna boga béré teu linier ceunah,calon guru besar najam kumna cukup.

Pohar ngangluhna perguruan tinggi nunyekel béré seni jeung filsafat anu peneliti -an (widang B) ditolak, alatan penelitiankudu kuantitatif make itungan statistikamatematis, sanes kualitatif.

Linearitas ditanyakeun tahun 2014, arinu tos lulus S3 rea di tahun 2013, S2 lulusamemehna,S1 leuwh memehna deui, jadimun diitung mundur linier béré kudu di-itung mundur ti tahun 2014-S3=(8 semes-ter) = tahun 2010, dicangkolong deui (6semester)= 2007, dicangkolong deui ku S1sebut 10 semester jadi tahun 2002, makapengumuman sakola mistina linier béré titahun 2000 ka tahun samemehna kuduasak hampura.

Kunaon pangna teu linear? Loba jawa-ban urang eksak hayang nyaho sosial, bérémurni hayang nyaho béré kamanusaan.

Di Universitas Indonesia, fakultasPasca sarjana nu lintas disiplin ilmu anusohor, di Amerika disebutna General Edu-cation.

Sabada derida ngagagaskeun bahasajadi alat analisis penelitian, atuh ngagelarwe penelitian kualitatif, penelitian kualitatifbéré hamo disada upama teu disurahan ku

bahasa. Ari linear nurutan saha?nurutan

Unisovyet dina mangsa jaya, utamana ilmurekayasa (teknologi) saur bapak Fredy KKalijernih, PHD dina seminar di pascasarja na UPI tanggal 19-04-2014 béré linea -ritas mah kalebet kabijakan kuno anu ciri -na béré nyoko kana :

1) Pemecahan masalah ;2) Lintas disiplin ;3) Penelitian aplikatif;4) Terbuka pada akuntabilitas .Dimotori oleh Triple Helix :- Industri ;- Pasar/ globalisasi;- Universitas / manajerialisme .Ieu kabijakan linieritas pikeun guru

besar pohara jadi hahalang , mimitina rek-tor kepala kudu doktor(S3) ieu mah kacisigana, tuluy guru besar bidang béré kudulinear. Tapi ari profesor kudu linear, teukaci mun di dadak mah.

D. Bedo Jadi Guru BesarLoba dosen nu umurna kaburu 65

tahun, najan kumulatif cukup, lantaran teulinear pangsiun weh dina lektor kepala,dosen ngora loba nu frustasi alatan teu line -ar béré, dosen frustasi moal neanganprestasi kerja.

Ceuk kuring mah béré uji pantuhirkepatutan profesor kudu bisa naon bae,umpama kumulatif tos nyumponan 1050kum sigana pantes, tapi upama calon pro-fesor gering nagtung saha anu dosana ? pekwe paciwit-ciwit lutung si lutung pindah kamenteri Dikbud, sugan.

*) Guru Besar Kopertis IV Dpk FkipUnpas

Staff Ahli Rektor Unpas Bidang Bu-daya/ Dosen Pps Upi

KKolom

Bedo Jadi ProfesorKu H. Asep Sjamsul Bachri *)

Page 43: Mangle 2474

Manglé 247442

GGedong Saté

DPRD Jawa Barat miharepsangkan pamarentah kabu-paten/kota leuwih taliti deui

dina ngusulkeun rarancang pang-wangunan ka Pamarentah ProvinsiJawa Barat. Hal ieu penting pikeunkalancaran program pangwangunandi daerah, lian ti efektifitas danabantuan anu dibere ku pemprov.

Ketua Komisi C DPRD JawaBarat Diah Nurwitasari netelakeun,kurang talitina kabupaten/kota dinangusulkan program pamngwangu-nan ngabalukarkeun kurangmaksimal na jumlah anggaran anudibikeun ku pamarentah provinsi.Kusabab kitu, pikeun nyingkahansesa leuwih pamakean anggaran(silpa), Diah miharep kabupaten/kota sangkan bisa leuwih sinergisjeung pemprov ngeuna an usulanpangwangunan.

"Kedah aya sinergitas, aya kater-paduan antara naon anu dilakonan kupamarentah puseur, provinsi, sarengkabupaten/kota. Sareng tos sakedah -na Musrenbang ieu téh tiasa di -sinergikeun," ceuk Diah.

Diah ngajentrekeun, rarancangpangwangunan di daerah kudu luyujeung naon anu geus ditulis dinaRPJMD Jawa Barat. Pamarentahkabupaten/kota oge kudu nyingkah -keun rasa “ego” kawilayahan dinaurusan pangwangunan daerah.

lian ti eta, Diah miharep pa-marentah kabupaten/kota boga rasangapimilik kana rupa-rupa programanu geus ditataharkeun ku pa-marentah provinsi.

"Piceun ego politis, kumargi pang-wangunan anu dijalankeun ku pem-

prov dina ahirna kanggo pangwangu-nan di kabupaten/kota oge. Ieu téhteu leupas tina peran ngaberdayakeunpotensi di kabupaten/kota anu ogepatalina sareng visi bupati/walikotaanu jadi faktor penentu." pokna.

Nurutkeun Diah geus aya disababaraha kabupaten/kota anu geusalus dina pengajuan rarancang pang-wangunana. Hal ieu kabukti ku ayanapangajen nu katarima ku sababarahadaerah di Jabar.

"Conto pangajen anu toskatampi teh, sapertos WTP (wajartanpa pengecualian). Ieu téh jantentantangan kanggo kabupaten/kota,kalebet oge reformasi birokrasinaanu sae," ceuk Diah anu netelakeunsacara umum kudu aya anu dibebe-nah kalayan serius di kabupaten/ -kota.

Diah oge ngarojong ayana 'huku-man' dina diberena dana bantuan kakabupaten/kota saperti anudiusulkeun ku Wakil Gubernur JabarDeddy Mizwar. Nurutkeun Deddygeus sakuduna pamarentahngahukum daerah anu teu bogararancang program pangwangunananu pasti.

Kitu deui jeung pamarentahprovinsi supaya henteu ngaleupas -keun kitu waé pangwangunan anu di-pasrahkeun ka kabupaten/kota, tapikudu aya binaan anu maksimal.

"Kedah aya proses pembinaansupa dos ngawujud program pang-wangunan daerah anu merata sarengmaksimal” ceuk Diah Nurwitasari.***(AS)

Cara Jawa BaratNgadumaniskeun Pangwangunan Kabupaten/Kota

Ketua Komisi C DPRD Jawa Barat Hj. Diah Nurwitasari, Dipl. Ing.

Page 44: Mangle 2474

43Manglé 2474

Ahmad Heryawan dirojong kupara inohong Jawa Baratsangkan maju jadi calon

“Wakil Presiden (cawapres)” dinaPemilu 2014.Hal eta ditandeskeun kusababaraha tokoh Jabar dina DiskusiPublik “Mencari Tokoh TerbaikJabar” Untuk Capres nu lumangsungdi Hotel Horison Jl.Pelajar Pejuang45 No.121 Bandung(17/4).

“Para Inohong Jabar geus mupa -kat Aher (Ahmad Heryawan) kududirojong ayeuna keneh. Manupernaurang Sunda moal rek “milih” presi-den lamun wapresna(wakil presiden)lain urang Sunda!” Kitu saur KangUU Rukmana daria. Loba cenahtokoh Sunda nu jadi menteri ge,“Ganjar ge (Prof.Ganjar Kurnia, rek-tor Unpad) sanggupeun jadi menterimah. Tapi urang Sunda kudu guyub.Heug rek milih (presiden) asalwawakil presidenna ti Sunda”, poknadeui dibageakeun emprak surak nusami hadir.

Diskusi harita ge dijejeran kuProf. Dr. Dede Mariana, M.Si jeungProf.Dr. Idrus Affandi, S.H. nu di-tuyun ku Cecep Burdansah ti Tribun

Jabar. Cek Prof. Demar (Dede Maria -na) dina konteks nyiar putra terbaikJabar, urang Sunda kudu narsis,sona gar, jeung kudu daek mang-gung/tampil, laju kudu digegede -keun ku media, saperti Jokowi nu“biasa-biasa” tapi jadi kawentar lan-taran dimenej ku media daring.Urang Sunda ge kudu ngarakrakmitos lain bangsa petarung, elehan,mangga ti payun,” Janten pami ayanu bade manggung sapertos AhmadHeryawan sareng Rhoma Iramakedah dirojong, pasihan lolong -krang nepi ka tidagorna(jucung)”,kitu saurna. Tapi Prof.Idrus bogapamang gih ngudag capres/cawapres dina 2014 mah radahese cenah, geus we mending tiayeuna urang Sunda singgaruyub/kompak keur natahar -keun ngancokeun capres dina2019.

Para inohong liana nu madep kahareup mere rojongan ka Aher di-antarana Cecep Rukmana nu ngajaknataharkeun oposisi jeung nganco -keun para tokoh Jabar ka pusat, daloba cenah para inohong Jabar teh

ngan teu boga lolongkrang. EntangSastraatmadja nilik Jabar geus mang-gih cawapres sabab ngudag capresmah kudu nyanghareupan para jura-gan partey nu kumawasa, Heryawandina catetan Entang nu saba desageus ngaraharjakeun para patani kuprogram-program tatanenna.DindinMaolani salaku ahli hukum nginget -keun ka Heryawan lamun maju ka-hade cenah hal hukum kacidautamana sabab bakal adu hareupanjeung Senayan. Jadi kudu meunang“tebal” sangkan ngawasa korsi jeungloba balad jeung kahade ulah pohokudu ngaraeh para tokoh “akarrumput” sangkan meunang rojongan.Eta sapamadegan jeung pamanggihAbdullah Mustofa, lamun Ahermicinta urang micinta urang Sundakudu daek merhatikeun rayat leutikutamana hal atikanana, ke jadi malikngarojong, saurna.

Kang Aher nyalira nampi rojo -ngan nu sakitu poharana teh ngaraosbingah sareng kagagas, kacidanganuhunkeunana ka para inohongjeug miharep gunem catur atawapadungdengan ieu aya terusna.Jeungdimana anjeunna teu “ngajadi”diskusi teu jadi mubadir sabab bisadipake pikeun nataharkeun dina2019, tapi kudu aya “agenda setting”kamupakatan masarakat Jabar jeungpara inohong nu dibantuan ku mediakeur mastikeun saha-sahana tokohJabar nu pantes pikeun diancokeunjadi pamingping negri. Kitu saurna,bari maparin harepan insyaaalohcenah bakal aya presiden ti Sunda,asal asak-asak nya “ngejona”/nataharkeun ana.Lamun di Amerikalahir Obama pamingpin ti etniskadua (negro), tah di Indonesia ge,etnik kadua (Sunda) bakal aya nu jadipamingpin.Meunggaskeun etnismayoritas.***ASEP GP

Diskusi Publik “Mencari Tokoh Terbaik Jabar” untuk Capres

: Kang Aher Siap Jadi Cawapres!

Page 45: Mangle 2474

Manglé 247444

Adi-adi, sobat urang anu nuju midang ieu nami lengkepna Victoria Laurencia.Loren, kitu nénéhna, putra Bapa Muchlis Akiun sareng Ibu Lenasari.

Dibabarkeun di Bandung ping 10 November 2007. Karesepna kana nyanyi sarengkana Ngagaya. Upami tos ageung, cita-citana palay janten Dokter. Loren anu

sakolana Budi Istri, bumina di Jl. Emong 1 Bandung wiat salam kanggoEma,Opah,Popoh,Pungpung, Cici, Aih, Rerencangan Di Tk. Budi Istri Hususna Di

Kls Ibu Ati sareng teu hilap salam ka sobat-sobat Mangle Alit sadaya.***

Page 46: Mangle 2474

SSajak Alit

45Manglé 2474

LeuweungKu Surtikanti

Ceuk Aki, cenah leuweung téh rembet ku kakayon

Tangkal gedé, tangkal leutik, tempat ngiuhan sato-sato pangeusina

Ceuk Nini, cenah leuweung téh tiis, katiisan walungan nu caina caném-

brang hérang

Sato gedé, sato leutik, nya di dinya tempat nginumna

Sakalieun manusa asup ka dinya, nya di dinya tempat ngaleupaskeun

hanaang

Duuuh……aya ku éndah geuning leuweung téh

Tempat nu matak betah, tempat hirup huripna sato nu bisa mangpaat keur

manusa Seug bisa metakeunana

Tapi geuning leuweung nu kasaksian bet béda

Béda jeung leuweung nu aya ‘na dongéng Aki

Dongéng Ciung Wanara, dongéng Sangkuriang

Taya nu sarua jeung leuweung urang ayeuna

Kakayon nu cenah rembet, geuning raruntag

Walungan nu cenah canémbrang hérang, geuning teu kitu!

Nu aya tangkal raruntag, leuweung lénglang taya hahalang

Cai teu kahalangan, walungan teu kahalangan akar-akar

Séooooorrrr……….buktina caah di mamana……..

Deudeuh leuweung urang…..

Rék kumaha urang…..?

***

Page 47: Mangle 2474

Manglé 247446

Sanggeus Pépép ngamimitianngalas, deker kuring ogé nuru-tan. Ayeuna mah geus tara asa-

asa deui lamun disuguhan dahar diimah Bi Aas téh. Teu cara mimiti, keurmah rada éra, katambah-tambah canapal kumaha prak-prakanana daharngariung ngampar samak jiga kitu.Keur ngalimed, teu karasa ti luarkadéngé adan magrib. Pépép sa -kulawarga ka cai gura-giru rék wudu.Hujan di luar lain raat, kalah beukingagedéan. Kuring inget ka Okaasan,sok sieun gancang balik. Ari tadibébéja ka Mang Utar mahpimuliheun ana téh peuting, cenah.Tapi teuing tah. Kumaha mun seugurusanana gancang bérés, nya? Hatémimiti deg-degan. Tapi ah, mudah-mudahan mah telat balikna Okaasantéh. Mudah-mudahan hujan téh ratanepi ka tempat Okaasan keur bogaurusan. Ngan kahayang mah, MangUtar hideng mapagkeun kadieu. Daapaleun, tiheula kungsi mapagkeun.

“Mangga wé Encép, sing raos-raos

linggih. Mamang badé solat heula,”ceuk Bapa Pépép bari nuturkeun BiAas.

“Ké nya, Bu, solat heula,” Pépépnu wuduna pandeuri, nuturkeun in-dung bapana rék solat. Resep jiganatéh nya, solat. Geus kadua kali jeungayeuna ngabandungan kulawargaPépép sarolat téh. Mimiti nempo nusolat téh kuring mah sugan téh keursenam. Komo nempo anu solatnababarengan jiga kulawarga Pépépmah, jiga pisan kuring sabatur-baturlamun keur Rajio Taisho di sakolasaban poé Kemis isuk-isuk. Kuringogé kungsi nempo Okaasan solat diimah, tapi teu sering. BiasanaOkaasan mah solatna téh lamun geusnangis. Apal kuring mah, lamunOkaasan socana bareuh bari semubeureum, éta pasti geus nangis. Ku -ring kungsi boga pikiran, solat téh di-laksanakeunana lamun keur ayakasedih wungkul, meureun sangkankasedihna disingkahkeun kuKamisama. Tapi geuning, Pépép

jeung kulawargana mah solatna téhkacirina lain pédah keur saredih.Kapan Pépép ogé teu kua-kieu, titadiméngbal jeung kuring, suka bungahseuseurian, euweuh nu matak sedih.Kungsi kuring nanyakeun soal solatka Okaasan, tapi ngawalerna téhukur,”Ngadu’a ka Alloh, Kamisamaceuk Otoosan mah, ménta sangkanhirup bagja jeung pinuh ku ka-hadéan.”

Béda jeung waktu kuringnanyakeun ana ka Pépép. Ti manéhnakuring jadi terang yén solat téh lainsenam, tapi hiji ibadah wajib ka Alloh,sesebutan urang Islam ka Kamisamaceuk urang Jepang. Pinter geuningurang Islam téh, cacak teu ngartikabéh basa Arab, tapi bisa apal do’a-do’a anu sakitu panjangna. Jiganakuring mah moal sanggup, lamun di-titah ngapalkeun kalimah-kalimahpanjang bari teu nempo catetan, bariteu nyaho hartina seutik-eutik acan.Sugoi....hébat!

“Ah, da kuring ogé apal cangkem,”ceuk Pépép, waktu ku kuring disugoy-sugoy, dihébat-hébat pédah apalbaca an solat anu sakitu lobana.

“Obu ogé bakal apal geura, lamundaék leukeun saeutik-saeutik mah.Kapan hurup kanji ogé, matak lieurlain? Tapi geuning teu burung wé apalObu mah.”

Ngadéngé kitu, tumerapna ka ku -ring jadi leuwih kataji hayang leuwihngarti soal agama Islam. Nanyakeunka Okaasan, asa tara nepi ka kapang-gih jawabanana. Lahlahan kuringnanyakeun soal solat ka Nini jeungAki. Teu salah, Nini jeung Aki mahngajawabna bisa leuwih loba tur jén-tré. Najan angger can kaharti kabéh,tapi kuring geus bisa leuwihngaléngkah kana pananya anu leuwihjero, nu harita antukna ngajurung ka-hayang kuring pikeun ngondang gurungaji ka imah. Hanjalakna, Okaasancan waka ngidinan. Saur Okaasan,”Ké,urang badami heula jeung Otoosan.”

Tapi nepi ka ayeuna duka kumahaputusan ti Okaasan, da ari kuring réknanyakeun deui mah, can bogakawani.***(Hanca)

CCarpon Alit

Si Obu (8)Ku Téh Narti

Page 48: Mangle 2474

47Manglé 2474

PPangajaranBasaSunda

Latihan Ulangan1. Tanda baca panyeluk, dipaké dina

tungtung kalimah ………….a. pananyab. wawaranc. paréntahd. biasa

2. Lemesna “tuur” nyaeta.........a. pahab. tekuc. taard. damis

3. Tempat ngalirna cai hujan di -sebut…

a. kamalirb. keranc. pancurand. balong

4. Runtah anu mengpetan jalan caibisa ngalantarankeun ………

a. hujanb. caahc. linid. angin

5. Antara usum halodo jeung usumngijih disebut usum..……….

a. ngecrekb. dangdangratc. ngijihd. hujan halodo

6. ............biasana mangrupa bagéanpangtukangna di imah.

a. patengahanb. kamarc. dapurd. tepas

7. Carpon singgetan tina………..a. karanganb. cara nyarponc. carita pondokd. caraka pondok

8. Dupi bumi Pa Kepala téh di mana?Ieu mangrupa conto kalimah……….

a. pananyab. paméntac. panyarékd. paréntah

9. Harti kecap “suku gunung”, nyaétasisi……….

a. dayeuhb. leuweungc. gunungd. laut

10. Kecap nu ngandung harti “sokremen cukat-cokot barang batur”nyaéta......…

a. hampang leungeunb. hampang biritc. panjang leungeund. beurat birit

11. Sabalikna tina “ngambang”nyaéta..........

a. numpangb. teuleumc. ngojayd. nyelam

12. Tengah poé balik ti sakola,karasa.........hayang dahar.

a. hanaangb. laparc. horéamd. handeueul

13. Kecap nu saharti jeung kecap“mag rib” nyaéta kecap........

a. sareupnab. isuk-isukc. pabeubeurangd. tipeuting

14. Manéhna balik ti sakola bangunanu capé, leumpangna meni........

a. ngagedigb. ngalénghoyc. dagdégdogd. nereleng

15. Harti anu saharti jeung “tur”nyaéta……………

a. sangkanb. jeungc. padahald. pédah

Diajar Basa Sunda Kelas IVKu Nila Karyani, S.Pd

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilap

ditémpélan kupon UTY no. 1254. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya

No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.

Jawaban UTY No. 1251

Nu leres : Jagong

Nu kénging hadiahna:

1. R. Sundara Saluyu CX no 135 Blok 2 M\ Bandung 40265

2. R. Anggraeni Dukuh Warung Rt. 03 Rw. 08 Kadipaten

3. Nara S. Jl. Binong Gg. Nata No. 456

Urang Teguh Yu!Matak jadi caah gedé

Mun dipiceun sam-barangan.Naon cing?

(Wulansari-Bandung)

Page 49: Mangle 2474

Upama kaparengan langitcangra, panon poé nyorotka beulah kulon, paulna

langit dipasieup parentulna gu-nung, bruh-bréh sakurilingeundayeuh Bandung. Beulah kulon,di wewengkon Cipatat, témbongpuncak Gunung Masigit.Katempo na ti wétan ti kajauhan,wangun éta gunung téh, lir suhu-nan masjid.

Iraha éta téh? Baheula taun1970-an. Ayeuna mah teu kitu. Tilebah wétan nyawang ka kulon,gunung-gunung téh, loba nu teukatembong. Lain lantaran kahala -ngan ku wawangunan luhur, tapisababaraha gunung kari urutna.

Gunung Masigit, misalna, teutembong deui ti kajauhan. Tapi,tapak lacakna mah témbongkénéh, malah natrat nepi ka ki-wari. Di sabudeureun éta tempat,aya pangjugjugan, di antaranaGuha Pawon nu nyidem rupa-rupabukti kahirupan karuhun Sundabaheula.

Guha PawonNu lumampah ka kota Bandung ti

kulon, make mobil mah kudu nyo -rang jalan pungkal-pengkol, nanjak-mudun. Asup ka wewengkonPadalarang, kenca jeung katuhusapaparat jalan, bruh-bréh pabrikpabrik pangolahan kapur.

Di éta wewengkon, aya tempatsohor, Guha Pawon. Perenahna, 500metér tina panto asup ka Karst Ci-tatah. Eta guha pasna mah di pasiratawa Gunung Pawon, Desa GunungMasigit, Kacamatan Citatah, Kabu-paten Bandung Barat. Luhurna étaguha téh 745 dpl. Ari dano Bandungnu aya di sahandapeunana kurangleuwih 700 dpl anu kiwari kari sawahjeung lembur. Baheulana, éta sawahtéh ranca anu dipaké pamoroansasatoan keur dahareun urang Ban-dung jaman baheula. Ceuk sakaol,sato-sato nu diboro téh ngahajadigiring keun ka ranca sangkan leuwihgampang dibrona.

Eta guha téh bagian tina basisirdano Bandung purba. Bukti-buktina

mah aya palemburan karuhun Ban-dung. Jalma nu dumuk di wewengkonBandung baheula. Ari sésa-sésa nunepi ka ayeuna, rorongkong manusaBandung nu hirup tujuh rebu taunbaheula, jeung fosil sesa kadaharan -ana. Di papantes manusa kiwari,lebah dinya téh dapurna nini-akikaruhun urang Sunda.

Guha nu nyerengkedong nang -tawing, aya tilu tingkat. Tingkatkahiji, lawang asup ka jero guha anudina sistim imah urang Sunda mahbagian tepasna. Tingkat dua,patenga han. Ti tempat éta urang bisanyawang ka jauhna kalayan amantina rupa-rupa gangguan boh alamboh sasatoan. Ieu tempat dikubeng kubatu-batu nangtawing nyangkere-dong lega anu ku barudak kiwari mahsok dipaké latihan panjat tebing.Lalangitna geus ambruk, nu munnyeueung ka luhur téh bisa nempolangit. Tingkat katilu, mangrupapangkéngna, mun di imah biasa mah.Nya di dinya kapanggihan duarorong kong awéwé Bandung baheulaanu kapangihna eta fosil téh keurngarengkol. Eta fosil nu asli téhdisim pen di kantor balé ArkeologiBandung, Jalan Sukarno-Hatta Ban-dung. Nu aya kiwari di éta ‘pangkeng’mah ukur reflikana. Nya, éta tempatnu kiwari terus ditalungtik para ahlikeur rupa-rupa kapereluan jeungélmu pangaweruh.

Eta guha, lian jadi tempat nungarulik élmu, ogé pangjugjugan nuarulian. Di dinya aya guha. Mun beu-rang, lalay téh patinggarantung, ogésawaréh mah ngubeng. Mun pasosoréngabring ka luar néangan hakaneun.

Guha gé dipiara. Jadi tempatwisata deuih. Hareupeun guha,monyet patinggarayang dina tangkalgede, teu sing asa kagiridig ku nu lalarliwat di lebah dinya kawasna mah éta

Manglé 247448

IImplik - Implik

Guha Pawon bukti sesa kahirupan manusa baheula

Nu Leungit di Gunung MasigitKa mana waé ningali, ari keur aya di tengah-tengah kota Bandung mah bruh-bréh pagunungan.

Beulah kalér, wétan, kidul, jeung kulon gunung-gunung ngabaradega lir bébénténg kota. Ngan, mun rétka beulah kulon, aya nu leungit, di lebah Gunung Masigit.

***

Page 50: Mangle 2474

sato téh. Kaayaan sabudeureun tem-pat nu kawas kitu, bisa jadi daya tarikkeur nu arulin ka lebah dinya.

Wétaneun Guha Pawon aya tamanbatu. Di dinya galituk batu galedé.Dina sela-sela batu nu karitu téh, ayakuburan nu nyangirah ngétan-ngulon.

Makam saha éta téh? Disebutmakam, pedah wanguna kawas kubu-ran. Ceuk ujaring carita, éta makamdijieun ku salasaurang nu kungsi tapadi éta tempat sawatara waktu katukang. Inyana ngarasa ku cukanglantaran tatapa téa, hirupna pinang-gih hurip. Minangka, pamulangtarima, nya nyieun ‘kuburan’, nuditembok. Ngan éta ‘kuburan téh teuilahar, da nyangirah ngulon , ngujurngétan, teu nyangirah ngaler kawasilaharna kuburan di urang.

Wewengkon sabudeureun guhapawon loba ‘pangulinan’. Keur nuresep ‘hiking’, naék ka gunung’ bisakakalacatan dina batu bari sakaliangeus aya di tempat luhur mahnyawang ka jauhna. Ti lebah dinya,plung-plong ka saban tempat. Beulahkulon jeung kidul, tembong palembu-ran Cianjur, lebah kalér mayakpakPurwakarta. Atuh, mun ka lebahwetan, tembong barakbakna kotaBandung.

Lahan Pangupa JiwaAlam lain ukur padumukan. Tapi,

lahan pangupa jiwa deuih. Atuh,upama di hiji tempat loba batu,padumuk na gé loba nu ngamang-paatkeun éta batu keur pangupa jiwa.Nu kawas kitu, kasaksén disabudeureun padalarang. Di dinya ayatempat nu katelah Tagogapu. Teu jauhti ngaranna, di dinya téh aya ‘pabrik’apu nu saterusna sumebar ka sabantempat.

Leungitna Gunung Masigit, diantara na lantaran dialaan batuna.Puncakna, nu asalna nyungcung, lila-lila mah leungit, bareng jeung robahnaalam sabudeureun éta tempat.

Mémang, teu bisa sagawayahngadungkaran batu di éta tempat téh.Da, aya wates antara nu meunang di-alan batuna jeung nu ulah. Ngan, étapanyarék téh teu sihungan. Buktina,di tempat nu dilarang gé angger wédikorowotan.

Kaéndahan alam, sabudeureun Gu-

nung Masigit, nyidem rupa-rupaharepan jeung kahariwang. Eta tempatbisa jadi salah sahiji pangjugjugan nuti mana nu ti mendi kalayan rupa-rupatujuan. Ngan, kahariwang gé teu weléhngukuntit. Alatan batu ditugaran, munusum hujan, cai ngagulidag ka handap,jadi kahariwang urang lebak. ***

49Manglé 2474

Pangjugjugan rupa-rupa kapereluan

Tempat nyawang ka jauhna

Jadi lahan pangupa jiwa

Page 51: Mangle 2474

Milangkala ka-373 KabupaténBandung direuah-reuah kupawéyi jampana jeung mobil

hias ti Organisasi Pamaréntahan Daérah(OPD). Salian ti kitu, dina peutingna 26urang tokoh pangwangunan di éta kabu-patén dibéré pangajén “SabilulunganAward” ku Bupati Bandung, H DadangM Nasser.

Hanjakalna, pésta dina raragamiéling gumelarna Kabupatén Bandungtéh, karasa kurang apdol, lantaran teungaaubkeun masarakat. Komo waktuparipurna istiméwa mah, ukur di -hadiran ku 17 urang tina jumlah 50urang anggota déwan. Salian ti kitu,korsi keur para kapala désa jeung lurahogé katémbong parongpong. Malah

camat ogé teu kabéh hadir. Tina 31camat, nu katémbong hadir ukursababaraha urang, umumna camat-camat nu deukeut ka Soréang.

Teu hadiran para anggota déwanmémang taya béja, naon nu jadisababna, ngan nu jelas déwan nu teuhadir téh lolobana nu éléh dina pemili-han législatif (pileg) kamari.

“Duka ku naon para anggota déwanteu sarumping, kalebet para kadés.Margi uleman mah tos didugikeun tianggalna kénéh. Sigana alatan jadwalparipurnana sonten teuing,” ceuk StafHumas & Protokol Kabupatén Bandung,Wahyu.

Bari ukur dihadiran ku 17 uranganggota déwan, rapat nu dipingpin kuketua déwan, Toto Suharto, tetepdilaksana keun. Agéndana pikeun nga-bandungan biantara Bupati Bandung,Dadang M Naser, ngeunaan pang -wangu nan di Kabupatén Bandung.

Ketua DPRD Kabupaten Bandung,Toto Suharto, nandeskeun, lobanaanggota déwan nu teu hadir éstu teumangaruhan kana lumangsungna rapatparipurna , lantaran éta sidang istiméwatéh dina raraga milangkala ka-373Kabupatén Bandung, sarta taya mutus -keun naon-naon.

Ceuk Toto, teu haradirna anggotadéwan téh alatan masih kénéh saribukku kagiatan rékapitulasi itungan suarahasil Pileg di KPU. Lian ti kitu, aya ogéanggota déwan anu katarajang ksakaitalatan éléh pileg. Jadi, pokna, datang-heunteuna anggota kana paripurna isti -méwa teu jadi masalah, nu pentingmaranéhna méré laporan.

NurunkeunAngka Kamiskinan

Bupati Bandung, Dadang M Nasser,nétgélakeun yén dina taun 2014 Kabu-

Miéling Milangkala Kab. BandungRohangan Sidang Paripurna Parongpong

Bupati niup lilin dina acara milangkala Kab. Bandung

Paripurna Istiméwa dina raraga milangkala ka- 373 Kabupatén Bandung parongpong

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Manglé 247450

KKatumbiri

Page 52: Mangle 2474

Ti taun dalapan puluhan OtihRosto yati, seniman nu ayeunadosén Unpas geus ngababakan di

Bukit Dago Timur, Dago Atas CiburialBandung. Gedongna anu basajan di-pasieup ku awi, perenahna sisi jalan Dago(Pakar), buruan tukang ngajajar kebonawi. Rupa-rupa tangkal awi aya di dinya,ti mimti awi tali, awi bitung, awi-awi lokalnepi ka awi impor, di antarana ti Tailanjeung Jepang. Kebon awina dibebetah kualmarhum Pa Anang Sumarna, Otih milungadisain. Paparabo tan di bumina ogé90% tina awi, kitu deui lukisan-lukisankarya Otih Rostoyati.

Ayeuna ogé “kafe” Kebon awi, sarwaawi, saung-saung nu parentul di antararungkun awi. Katuangan anu disadia -keun ana di antarana aya oséng iwung.Otih ogé rencanana rék ngolah sotoiwung jeung katedaan séjénna tinaiwung.

Ti mimiti dibuka geus ramé ku nujarajan. Sepuh anom teu kaliwat kawulangora anu biasa raresep jajan. Di saungOtih bisa tuang sangu liwet, sangurantang atawa nu dibésékan ogé aya.Tutug oncom teu kaliwat, sangu cikuranu seungit tur séhat ogé aya, sangu tim-bel mah geus puguh deui. Malah cenahaya anu disebut nasi pangasihan sagalarupa. Réncangna iwal ti beuleum hayamjeung goréngna, aya saté maranggi, satébébék, saté hayam, saté domba, jeungsaté sapi.

Pasak tulang jambal gé di kafekebon awi disadiakeun, kitu deui témpébacem jeung rupa-rupa sambél. Soto géaya. Pokona katuangan Sunda mah tayaanu dilangkung, ceuk Otih, anu teu leu-pas ti pupuhu umum kafe kebon awi,Pia Apriyatna Eka Sumarna . Ti kafeSuja na Kerton mudun ka landeuh, didinya kafe Otih dibukana.

Dago Pakar kadieunakeun mémanggeus jadi tujuan wisata kulinér anuhaneu teun. Sababaraha kafe diwangundi sisi gawir lungkawing, anu pikapau-reun saperti Lisung contona, tapi teuweléh pada ngajugjug, nu jajan tuangleueut ponyo di dinya.

Kulawarga pelukis Sudjana Kertonogé muka kafe di panganjrekanana,sabada Nyonya Kerton ka Paris nutu r -keun putrana, kafe di Pakar digarap kuCandra Kerton, putra cikalna. SudjanaKerton anu kungsi kaanjangan kumahuk Ufo ngantunkeun sawatara taunka tukang.

Ari Otih, cita-citana muka kafe téhéstuning dijurung ludeung ku Pa AnangSuarna, jiga anu geus kagungan pirasatbadé ngantunkun Otih jeung Pia. Kakaraayeuna kalaksanakeun, ceuk Pia. Kafedibuka dina lahan milik pribadi anulegana kurang leuwih 2000 méterpasagi, ampir dua pertiluna dipaké kafé,jadi lembur awi anu pikabetaheun pisan.Para karyawanna kabéh alumni P3T,sarupning pendidikan anu digelar ku

PBB. Di Kebon awi Otih jeung Pa Anang,barudak diatik nyieun rupa-rupa barangrumah tangga jeung seni tina awi. Ayeu -na lajuning lakuna ku Otih dibingbingkana pariwisata berwawasan budayajeung kulinér anu henteu jauh tina rupa -ning karajinan tina awi. Ngan aya kénéhanu tingaleun, nyaéta katedaan Sundanu dituang méméh huap lingkung,kayaning combro, pisang, sorabi, cuhcur,opak, ranginang, kiripik cau, kiripik sam-peu, jeung sajaba na. Rupi-rupi kolekoge kudu aya atuh Ambu! P:on kitu deuipapaisan anu rupi-rupi.

Sohorna mah kafe kebon awi AmbuOtih téh “Padepokan Roshan Tika –Kafe Kebon Awi “

Fisina ; Ngawangun méntal/moralmanusa anu mulya. Misina; Atikanmekarkeun bakat jeung minat, motipna;adeg-adeg hirup.***

Otih jeung Pia Apriyatna Eka Suarna

patén Bandung geus mampuh nurun -keun angka kamiskinan tina 10,2 persénjadi 8,2 persén. Turunna angka kamiski-nan téh, pokna, saabada “dirempug” kusagala program pangwangunan, diantara na program PNPM mandiri jeungpangwangunan jalan nepi ka daérah numencil. Diwanguna jalan mangaruhankana angka kamekaran ékonomi, malahbisa motong jalur kagiatan ékonomi anusalila ieu dianggapngateugan kanapangwangunan. Nu jelas, ngaronjatnapangwangunan bisa ditilik tina IndéksPangwangunan Manusa (IPM) Kabu-patén Bandung, nu ti taun ka taun terusngajaul. Dina taun 2013 ka catet IPM

aya dina 75, 24 poin, sarta éta angkageus ngaluhuran IPM Jabar. Targettaun harep bisa ngahontal angka 75,75nepi ka 80 leuwih.

Nu jelas, kamajuan pangwangunanleuwih dipangaruhan ku hadéna infra-struktur, utamana jalan. Ku kituna,ceuk Dadang Naser, dina taun 2014keman tapan jalan geus aya dina angka75 persén. Taun hareup mah ditingkat -keun nepi ka 90 persén. Alusna infra-struktur jalan téh, mangaruhan ogékana undakna niléy invéstasi nu asup kaKabupatén Bandung. Dina taun 2013,invéstasi nu asup ka éta kabupaténngaronjat nepi ka Rp 8,2 triyun, padahal

taun saméméhna mah ukur Rp 6.3 trili -yun. Ku kituna, saban taun ngawangunjeung ngabenahan infrastuktur jadiprio ritas nu utama. Tina jalan Kabu-patén Bandung nu panjangna 1.155,34km, nu geus réngsé dibeton kakara 128,323 km.

Bupati ogé ngémbohan, milangkalataya lian ti pikeun ngaévaluasi ketak gawénu salila ieu geus dilaksanakeun. Saeutik -na aya 16 pangajén nu geus katarima kuPemkab Bandung ti pamaréntah pro -vinsi, pusat, jeung internasional. Étapanga jén téh, pokna, némbongkeun ino-vasi gawé sakabéh OPD anu dinamis turdirojong ku sakabéh masarakat.***nunk

Kafe Kebon AwiAmbu Otih di Dago Pakar

51Manglé 2474

Page 53: Mangle 2474
Page 54: Mangle 2474
Page 55: Mangle 2474

Manglé 247454

BBalé Bandung

Memang aneh. Sakuduna mah,datangna mangsa reformasinyuburkeun hirupna media

massa nu ngabeuntakeun masarakat.Media massa kitu, ciri utamana,nembong keun sikep jeung sawangan nuimbang kana kaayaan. Tangtu wae, lainhartina media massa ulah “mihak”enggo ning maca kaayaan, kulantaran,upamana wae, miang tina agemanideolo gis, tapi cik atuh ulah nepi kakaleu ngitan perspektip. Saeutik jiganadina mangsa reformasi kiwari, kumelen-dang media massa saperti kitu. KoranKompas wae, nu sakuduna imbangdina nepikeun tulisanana, tetela saka -peung dengdek topi. Bilukna nukaleuleuwihi ka PDIP, saeutikna matakngurangan hormat urang ka eta korannu pada nganggap pangterpelajarnateh. Katambah deuih teu aya koran sejennu bisa ngimbangan. Koran sejennasaperti koran Tempo, Media Indonesia,malah Jawa Pos, asa can mapakanreputasi na.

Ironis, dina mangsa Orde Baru,malah patingkumelendang media massanu kaitung kritis, saperti koran IndonesiaRaya, koran KAMI, mingguan MimbarDemokrasi jeung mingguan Mahasiswa

Indonesia edisi Jawa Barat (samemehbiluk ka Golkar). Atuh majalahkabudaya an saperti Horison, apan bogakeneh wibawa. Bet matak hanjakal, tem-bong ayeuna media massa kurang kritis,iwal saeutikna majalah Tempo, upama -na. Malah sakitu reana statsiun TV oge,asa kurang ngabeuntakeun masarakat.Teu kitu kumaha, pidangan hiburanapan sakitu mahabuna.

Partey PulitikSatuluyna, sarua wae partey pulitik

oge taya pujieunana. Memang, PDIPsakitu kritisna kana jalanna pamarenta-han SBY, tapi sarua wae apan katerapkasakit korupsi. Jeung deui taya gagasannu “mencerahkan” enggoning ngomeansistim kahirupan kiwari. Upamana wae,teu kadenge sorana enggoning ngomeankatatanagaraan ayeuna, saperti teu jelas -na sistem presidensial, ngajagona DPRkulantaran rea teuing kakawasaanana.Komo deui ngeunaan sistem demokrasikumaha nu merenah dilaksanakeun kuurang ayeuna. Pangpangna teu ayaguamna enggoning ngomean kahirupanpartey pulitik ayeuna.

Ana kitu, bakal kumawasana PDIPdina pamarentahan nu bakal datang,sapantesna pada nalingakeun. Atuh,koalisina jeung Partey Nasdem oge, ulahgancang teuing pada muji. Lebah dieu,kuring helok ku polahna Jendral (Pur)Kiki Syahnakri, nu pohara surakna,ngabageakeun koalisina PDIP jeungNasdem. Sabada mepehek koalisi parteypulitik sejen,eta sang jendral teh nuliskieu, “ Namun, patut pula diberi acunganjempol atas sikap Partai Nasdem yangbersedia untuk berkoalisi dengan PDIPtanpa menyodorkan cawapres ataumeminta kursi menteri. Penilaian atashal ini sangat penting karena koalisi de -ngan motif kekuasaan yang biasanyaberujung pada politik dagang sapi dapatdipastikan akan melahirkan pemerinta-han yang mudah goyah dan sulit

mewujud kan kinerja optimal manakalasetiap partai merasa kepentingannyatidak lagi diakomodasi”.(Kompas, Senin,21 April 2014).

Memang bener kitu pisan, ngan cikatuh Jendral, ulah gancang teuing per-caya ka polah parpul, ari can tembongengke buktina mah. Dagoan wae atuh,cik kumaha ketak PDIP jeung Nasdem,mun seug dua parpul bieu engke nyekelkakawasaan.

LSMTinggal meureun LSM dina mangsa

kiwari, nu bisa keneh disebut mangrupaberkah reformasi. Tangtu wae LSM nukritis tur jelas udaganana. Jigana LSMmangrupa “oase” kabebasan dinamangsa media massa jeung partey puli-tik ayeuna katarajang krisis.

Ngan tangtu wae, kakuatanmasarakat sipil, nu tembong dinarenung na LSM, can bisa dipihareppisan, kulantaran kakuatan pulitiknacan saimbang jeung partey pulitik sartamedia massa.

Ana kitu, perlu diupayakeun supayaLSM bisa ngarobah media massa jeungpartey pulitik.

Jelas, hengkerna parpul jeung mediamassa mangrupa mamala keur hirupnademokrasi nu sehat. Jeung deui bakalnimbulkeun dampak ka ka pamarenta-han hasil pemilu 2014 ayeuna.

2019-2024Saha wae presiden hasil pemilu

2014 ayeuna, moal aya nu “sakti” ku -lantaran bakal katalikung ku cacad-cacad parpul, media massa sartalembaga sejenna nu nembongkeunhandap na ajen paradaban urang sora -ngan. Kukituna, nu leuwih penting,kumaha nataharkeun paradaban kahareup, paling deukeut bisa dicirian dina“tonggak” pemilu 2019 jeung 2024 nubakal datang. ***

Karno Kartadibrata.

Media Massa jeung Parpul

Page 56: Mangle 2474

55Manglé 2474

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Salah jalan4. Waktu antara tengah peuting jeungisuk-isuk7. Babari ngarti8. Alus keur orok10. Palajaran di sakola12. Sesebutan ka lalaki15. Saratus taun16. Jin awéwéna17. Ahli agama Islam20. Jaman22. Waktu solat24. Gorombolan nu ngaganggu ka -amanan25. Bangsal hiji dua dina béas/sangu26. Wawangunan sarupa imah

KA HANDAP:1. Ngurangan (tanaga, sumanget)2. Bersih, jauh tina kokotor3. Mulang4. Senang-senang (baca dua kali)5. Tempat nu hésé kapanggihna6. Kosong, euweuh eusian9. Miris11. Kota modeu12. Akang basa Minang (baca ti handap)13. Kuring (Arab)14. Maskapé penerbangan

18. Pajabat pamaréntah sahandapeuncamat19. Pélor bedil angin20. Logam mulya21. Bagian tina tutuwuhan22. Anakna anak urang23. Anjing leuweung

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1439. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuirdua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1437:

1. S. Hermansyah S.d/a Jl. Cemara Selatan No. 31RT 01 RW 02 Cemara SukajadiBandung

2. Juan DarpisKomplek Bumi HarapanBlok EE 2 Kabupatén Bandung

3. Yos PartadinataRW 01 RT 04Pasirbiru - Cibiru - Bandung

1439K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1437

Page 57: Mangle 2474

Manglé 247456

LLempa Lempi Lempong

“Téréh barérés nyah, Lo.”“Naon téa, Mang?”“Sakola, Lo.”“Hih, sakola mah moal aya

bérésna, Mang.”“Moal aya bérésna kumaha ari

Alo?”“Enya, kapan sakola téh nung-

tut élmu, nyuprih pangarti, tangtumoal aya bérésna, Mang. Salilahirup urang téh kapan kudu terusnyuprih pangarti.”

“Beu. Badis filsup baé Alomah.”

“Héhéhé….”“Maksud téh taun ajaran

sakola nu ayeuna téréh bérés.”“Oh.”“Sarta tatahar nyanghareupan

taun ajaran anyar.”“Enya, Mang. Kuring gé keur

néangan sakola keur si bungsu.Kapan taun hareup mimiti ka

sakola dasar.”“Kudu néangan sakola nu alus,

Lo.”“Enya.”“Nu mahal, nu élit.”“Maksudna?”“Kapan biasana mah sakola nu

alus téh sakola élit, tur biayanamahal, Lo.”

“Enya ceuk anggapan umummah kitu. Sakola nu alus téh numahal biayana atawa bayaran -ana.”

“Ari anggapan nu teu umum?”“Can tangtu sakola mahal téh

alus, Mang.”“Kitu nyah?”“Buktina baé sakola Jakarta

Internasional Scholl nu ramédiobrol keun dina média massa,Mang, kapan bayaranana ogé nepika ngajuta cenah.”

“Ari kualitasna?”

“Kapan ramé diberitakeun yénpara muridna kalah nandangankajadian anu matak ngenes. Anungaruksak masa depanna, Mang.”

“Enya kétang, Lo.”“Jadi mahal sarta maké label

asing jeung élit téh hanteu jami-nan, Mang.”

“Jadi nyakolakeun budak téhkudu ka sakola anu murah atawaanu haratis nyah, Lo?”

“Lain kitu maksudna, Mang.”“Ari kitu?”“Ari kuring mah leuwih con-

dong kana anu natural, Mang.”“Natural kumaha ari Alo, pi-

raku kudu disakolakeun dikebon.”

“Maksud téh nu alami, henteusagala diaya-ayakeun, atawa réateuing label. Nu sawajarna téa,Mang.”

“Satuju, Lo.”“Jadi budak téh rék disakola -

keun di lembur atawa di kota, Lo.”“Sarua baé di kota di lembur

gé, Mang.”“Har?”“Enya nu wajar téa, rék di lem-

bur rék di kota gé. Mun bisa mahnu boga dadasar agama jeung bu-daya.”

“Ngarah jaga bérés sakola téhboga tatapakan nu kuat nya, Lo?”

“Kitu pisan, Mang.”***

Lain Sakola Mahal