Mangle 2461

57

Transcript of Mangle 2461

Page 1: Mangle 2461
Page 2: Mangle 2461

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.

Urusan kanyaah teu bisa dibobodo. Najan,kaseng ker, kedalnana éta rasa mah teu bisa di-halang-halang. Tah, nu kawas kitu téh, karasa

ku nu dumuk di Brebes, Jawa Tengah.Urang dinya, urang Brebes, teu sing kahalangan ku

garis administrasi. Najan aya di wewengkon Jawa Te -ngah, midulurna ka urang Jawa Barat mah teu nilam-nilam. Da, cenah, angger wé ngarasa sabudaya rasa.

Saha nu kawas kitu teh? Di antarana Distam, KepalaSakola Dasar (SD) Negeri Buara 04, KetanggunganBrebes. Ieu kepala skaola nu kungsi narima hadiahHarja Pamekas téh, teu weléh ngupayakeun sangkanbasa Sunda tetep diajarkeun di sakola. Padahal, nyata-nyata nu puguh rengkolna kudu diajarkeun mah, basaJawa.

Nu boga karep kawas kitu, lain ukur Distam, tapi

umumna kepala sakola nu sumebar di Brebes, pang-pangna mah nu padumukna urang Sunda. Lir samiuk,gilig tetep nanjeurkeun pangajaran basa Sunda dilembur na.

Upayana, mémang teu gampang. Da, puguh saranajeung guruna gé kawatesanan pisan. Atuh, kapaksakudu sabisa-bisa malar bisa. Karepna kitu, teu nogen-cang. Aya puntanganeun di antarana Kadis PendidikanKabupaten Brebes.

Mitra, sawatara waktu ka tukang, Ensa Wiarna jeungAyi Sundana, ngaprak Brebes, nepungan baraya-barayasabudaya di éta lembur. Loba papanggihan, nu insyaAlloh diguar dina ieu majalah. Najan bari mapay-mapay jalan tarahal, ‘pribumi’ ge, Distam, teu welehmarengan, kaasup waktu meulah petengna peuting nga-jugjug pintonan wayang golek. ***

Sunda di Peuntas Budaya

LLawangSakéténg

Ti kenca ka katuhu; Distam (Kepala Sakola), Ensa (Wartawan Mangle), Trisnawan (Guru SDN Buara 04) jeung Ayi Sundana (Wartawan Mangle)

Page 3: Mangle 2461

PANINEUNGAN

Sanusi Harjadinata

Nyegah Perang Dulur Sabangsa

........................................................... 8

IMPLIK-IMPLIK

Mekarkeun Seni

Mikawanoh Jati Diri ....................... 10

DI KIWARI MACA BIHARI

Péso Gurka ..................................... 17

Diarah Pati

Catetan Ajip Rosidi ........................ 30

MIMBAR ATIKAN

Kunaon Kiwari Loba Macan Tutul

Turun Gunung?

Johan Iskandar ............................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Aweuhan .......................................... 41

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Rumaja .................................. 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Dr. H. Tachroni, M.Pd.,:

Tuturus Sunda di Lemburna

Po

tre

t : R

eis

ya

n

*) BOIM, 21 TAUN. PENGAMEN“Poék..peuting beuki poékkk …peteng..

mongkléng.. langit beuki mongklénggg.. Bulan… musnaaa!! Manusa..tibraaaa!!

Béntaaaang.. Nyumput dina mega..Rondaaaa..Peré ngajaga..”

Tah kitu, jampé-jampéna mah.Ingetkénéh.Da enya atuh.Kapan uing gé aya,basa harita Adang ngadadarkeun ren-canana ka Bani.Bani tatangga Adang...

Ngudag ka Naraka

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Page 4: Mangle 2461

3Manglé 2461

KKacaTilu

Nu Boga Lalakon

Jaman aya kénéh bioskop Sa-hati (di Tegallega) jeungTaman Hiburan (di Cicadas)

lamun arék lalajo film, nupangheulana ditanyakeun téhsaha nu boga lalakonna. Haritamah nu populér téh Shakila-Mahipal (keur anu resep filmIndia) atawa John Wayne (keuranu resep film koboy). Film Cinacan loba kacaturkeunana. KomoKoréa mah.

Nu dianggap pangpentingna téhmémang nu boga lalakonna. Lainnu nulis carita atawa sutradarana.Disebutna nu boga lalakon téh lan-taran nya manéhna anu nang-tukeun lakon bakalkumaha-kumahana téh. Enya, étatéh cék sawangan harita. JohnWayne anu bakal nangtang duél kamusuhna. Adu hareupan padudua -an, paheula-heula nyabut péstol.Tara ngaduakalian dina derna téh.Sakali jedor gé geus ngagolépakmusuhna téh. Atuh dina lebahMahipal, apan anu disurakan kuanu lalajona téh lebah paberik-berik bari tumpak kuda, atawamaén sérmen, perang gobang téa.Mahipal mah geus ti harita ma-maké anting téh.

Saha-sahana nu boga lalakontéh mémang penting, lain nganukur dina film tapi ogé dinakahirupan sapopoé. Kungsi aya nuboga lalakonna téh ngarannaSoekarno. Nénéhna mah Bung

Karno. Euweuh papantarananaatuh dina jamanna mah. Mun BungKarno arék ka Garut, geus pabéja-béja ti piduapoéeunana. Euweuhhalangan nu ngaranna anggang.Semet 40 kilo waé mah leumpanggé kaduga kénéh. Dibélaan inditbada solat Isa, nikreuh sapeutingjeput, panasaran hayang ningaliBung Karno dikieuna. Cenah dinawaktuna Bung Karno teu jadidatang, bari jeung duka naonalesan ana, tara ngarasula ieuh.

Béh dieuna nu boga lalakonnatéh Suharto. Tara aya anu waninyebut Bung ka anu ieu mah.Saréréa ngabasakeunana ogé Pa.Duka pédah ka tentara meureun.Pan loba kabéjakeunana tentaramah sok ngaheulakeun ngagaplokbatan nanya.

Ninggangna di loba kasieun.Boro-boro ku Pa Harto dalahkakara ngadéngé nyebut-nyebutKoramil gé geus kokompodan.Ulah kumawani siah, najanngarasa bener gé. Bisi matak teusalamet.

Naha atuh, geus tariking kitucék Pangéranna, nu tadina sakitugeueumanana téh kasaksian kusaréréa ninggalkeun istana bariterus henteu balik deui. Geura étahanu cikénéh pada mikasieun téhnepi ka diléléwaanana ku barudakmahasiswa. Padahal kira 30 taunka tukang mah ku mahasiswa Pa

Harto téh sasat dirawu dipangku.Bener ceuk ustad, nu ngarannamanusa mah tara aya nu langgeng.

Gunta-ganti sababaraha kalideui nu boga lalakon di urang téh.John Wayne ngan kari filmna. Kitudeui Mahipal. Geus garanti ku nualanyar ayeuna mah. Jaman JohnWayne, nu baroga lalakon téh ka -rereng, tareuas, ari enonna gareuliskabina-bina. Ari kadieunakeun anugarumeulis téh bet lalakina.

Nu boga lalakon di urang géapan kungsi aya anu teu resep kanaheureuy jeung anu karesepna kanalulucon. Blas-blus kaluar-asup is-tana, siligenti da geus kitu ti ditunamana kitu gé. Malah apan ka-parengkeun nu boga lalakonna téhresep tetembangan jeung hihita -ran. Tayohna, lantaran jongjonteuing nyusurup sora hitar, nepi kapanto dora aya anu muka gé teukadéngé. Kanyahoan-kanyahoansanggeus nu boga hadasna kacerekku upas. Kutan manéh nya anu jaditukang gerejudna téh?

Apan umangkeuhna gé,salawasna bisa milih, cenah. Kadé,sakeudeung deui gé bakal kajadianéta téh. Sing saha anu raresepkénéh kana tatanya saha anu bogalalakonna, ayeuna mangsana alé-woh tatanya ka sasaha. Pan cenahgé, bodo aléwoh téh kaasup papa -gon anu diéstokeun di PaguyubanPasundan mah. AM

Page 5: Mangle 2461

Caah Unggal Taun

Sampurasun!Caah di mana-mana. Di

puseur dayeuh, Jakarta mahgeus puguh. Di Bandung ogéBalééndah sarua, sok caah.Tah, kana caah urang téh, bi-asana sok narimakeun waé.Lantaran, pihak pamaréntahsaperti teu aya pencegahannu daria atawa teu aya persi-apan mahing caah atawaprog ram upama aya caah.Lolobana sadrah waé.

Tah, palebah dieu kudunapamaréntah leuwihmrogram keun upama datangcaah. Sosialisasi ka masarakatogé kedah diloba keun. Lan-taran éta tugas pama réntah.

Sakitu waé. Hatur nuhun. Wassalam

Pa DedeBalééndah Bandung

Buku LKS, DilarangJual?

Sampurasun!Nyi Manglé damang?

Punten ngiring nyeratperkawis kabutuhan sakola,di antarana buku peganganbarudak.

Cenah, di sababarahasakola béda-béda. Upamanawaé di SD kota jeung di kam-pung sok béda. Aya nu makéLKS aya ogé anu henteu,alias pihak sakola nyieunhusus keur murid-mudirna.Hartina LKS téh teu unggalguru maké LKS nu maneuhjieunan hiji penerbit.

Simkuring maca-macasaeutik masalah LKS. Di an-tarana, Lembar Kerja Siswa(LKS), cenah, hadéna mahunggal sakola bisa nyieunsorangan. Terusna deui, LKSteu meunang diayakeun

atawa diusahakeun tinadana BOS, komo dijual mah.

Tah nu jadi perhatiansimkuring mah, lantaran,kabeneran sakola budak,guru na téh maké bahan ajarLKS. Malah méré péér ogétina LKS nu lain hasil nyieunguru. Poho penerbitna mah.Tapi palebah simkuringnéangan ka toko-toko buku,éta buku LKS téh teu dijualatawa teu aya. Da, cenahLKS mah dilarang dijual.Patarosan salajengna. Nahaengkoh dipaké bahan ajar disakola, tapi ari meulihararésé. Lain, keurningkatkeun ajén murid disakola, antara nu cekel gurujeung nu dicekel murid kudusarua?

Terus simkuring ogénananyakeun, cenah aya nungajualan buku LKS. Tapibarang ditepungan, teu

ngaku dagang. Beu! Meureu -nan sieun dilaporkeun.

Tah, kitu gambaran nukaalaman simkuring mah.Ieu mah badé tumaros kapihak dinas terkait, kumahasaéna, sangkan murid bisanuturkeun pangajaran nuditepikeun ku guruna lamunmaké bahan ajar LKS. Terus,cenah di daérah séjén mahaya sakola méré kawijakan,keur meuli éta buku LKS tipenerbit, terus dibagikeunka murid, sangkan teukatingga leun teuing. Ceukimkuring, éta sakola kréatifjeung ngarti kana kahayangmurid jeung wali muridna.Sakitu waé, mudah-muda-han ajén préstasi siswa diurang bisa leuwih maju.

Wassalam,

HéndriyanaCileunyi Bandung

Manglé 24614

KKoropak

KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDAGawé bareng

MAJALAH MANGLÉ, MANGLE-ONLINE, MUSEUM SRI BADUGA JEUNGYAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT

Waktu Kursus/Pematéri:

1. Sajarah Tatar Sunda (Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.)2. Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri)3. Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.)4. Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd)5. Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana)6. Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum)7. Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda) 8. Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli)9. Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum)

Tempat jeung Waragadna :Waktu : 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014Tempat : Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung Waktos : 08.30 – 15.30 WIBWaragad : 300.000,- (tilu ratus rébu rupiah)Daftar ka : Tuti Rohimah (Mangle) Tlp. (022) 7303438, Hp. 085721307232

Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah ParamitaSalila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang.

Page 6: Mangle 2461

5Manglé 2461

TTamu

Dr. H. Tachroni, M.Pd., :

Tuturus Sunda di Lemburna

Karepna, nyegah Sunda ilang

di lemburna. Ngan, kumaha

carana, da puguh lembur-

lembur Sunda nu aya di

Brebes téh ayana di Propinsi

Jawa Tengah? Manglé

ngolongan pamanggih Dr.

Tachroni, M.Pd., Kepala

Dinas Pendidikan Kabupaten

Brebes, Jawa Tengah.

***

Bangun seunggah ngoléséd tihareupeun panggung téh. Da,sok ras ka jaman keur budak,

mun lalajo wayang golék téh nepi katutugna, tamat lalakon. Kakara sotéhngagoloyoh ti sabudeureun panggungupama tutup lawang sigotaka. “Ayeunamah, teu tiasa sawengi jeput atuhnongton wayang gé, da piraku dipadamelan lelenggutan,” ceuk Dr. H.Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pen-didikan Kabupaten Brebes, Jawa Te -ngah.

Ngobrol téh, sawatara waktu ka

tukang, basa Manglé ngahaja kaBerbes, ngalanglang urang Sunda diéta lembur. Pas jeung usumnararaméan, nu di antarana aya pinto-nan seni Sunda, saperti Jaiponganjeung Wayang Golék. “Bawirasa,kasunda an tiasa disambungkeun kupara guru ka murid-muridna,” ceukieu urang Karadénan, Brebes téh.

Ngawangkong téh dina sela-selapintonan wayang golék, satutas jurukawih ngahaleuangkeun KembangTanjung. Pa Kadis, sumanget nakerdiajak ngobrolkeun basa Sunda di

wewengkon Brebes téh.

Kajurungu Hariring IndungBaheula keur budak, cenah, mé-

mang teu ngarti, naha di SMP mah teudiajar basa Sunda, tapi basa Jawa?Padahal apan sidik urang lembursabudeureunana mah basa Sunda.Campur gaul jeung babaturan boh disakola boh di pangulinan, nyarita téhbasa Sunda. Kapanasaranana, beukilila-beuki nyangkaruk. Ahirna, nyakakara ngarti, pangajaran basa disakola mah, kumaha kawijakan pama -

Page 7: Mangle 2461

réntah!Keur budak, memang remen

ngadéngé dongéng nu tumali jeunglemburna. Tina dongéng téa, apal wéhdulur-dulur nu sabudaya rasa téhlolobana mah di Jawa Barat. Atuh,waktu ngadéngé nu ngahariring“néléngnéngkung- néléngnéngkunggeura gedé geura jangkung...”, bet asakajurung, hiji waktu mah, hayang sakolaka Bandung. Matak, waktuna kuliah,mun batur loba nu milih sakola ka tatarwétan, Tachroni mah, milih ka kulon,nyuprih élmu di IKIP (UPI) Bandung.

Ngancik di Bandung teu tumamu,da ngarti kana basa masarakatsabudeureunana. “Asa di lembur sora -ngan,” pokna nyoréang mangsa katukang.

Sakolana gé tanjrih. Anggerneruskeun S-2 jeung S-3 gé di KampusBumi Silwangi (UPI) jalan SetiabudiBandung. Di dieu, lain ukur ngalapélmu di kampus, da biasa deuih tolabélmu di Daarut Tauhid, pingpinan AaGym. Lian ti kitu, aktip deuih dinarupa-rupa organsiasi kamahasiswaan.Komo apan harita mah, mangsakuliah na téh dina pungkasan OrdeBaru asup kana Orde Reformasi. Ieunonoman urang Karadenan gé, biasaaktip ula-ilu dina kagiatan mahasiswakaasup remen démo boh di Bandungboh di Jakarta.

Ancrub ka tengah-tengah dunya

akademis nu aya di lingkungan Sunda,ceuk Tahcroni mah, lir aya dina kawahCandra Dimuka. Di dieu, bisa ngulikrupa-rupa paélmuan, nu lain ukur dikampus. Enya, apan di bandung mah,remen naker disukusi-diskusi atawaseminar téh. Keur urang lembur nuanggang ti Bandung, kakayan kitu téh,kacida gedé mangpaatna. “Seueurmangpatna, janten nambihan panga -weruh sareng kaludeung,” pokna barimesem.

Ceuk pikirna, urang Sunda téh lobanu palinter. Di dunya akademis, lobateureuh Sunda nu diajénan pihaksején. Ku kituna, keur inyana gé, jadileuwih gedé haté, nu ahirna teu weléhtimbul sumenget hayang ningkatkeunpangaweruhna. “Tangtos reuues jan-ten urang Sunda téh,” pokna.

Kareueusna, kampus-kampus ditatar Sunda, ceuk Tachroni mah, teuweléh jadi barométer ‘pergerakan’maha siswa di Nusantara. “Mun JawaBarat aman, Indonesia gé amanlah,”pokna teu weléh mésem.

Ngan, cenah, mémang aya pasipa -tan nu siga teu pati titotorosol kanajaba tan, urang Sunda mah. Da, geun-ing mun ogé dina démo-démo,lolobana mah ‘purah mikir’ jeung‘ngonsépna’, ari nu sok tembong jeungsohorna mah, umumna batur! Matak,keur inyana mah, teu héran, najanurang Sunda téh palinter, ari

ngalalakon nonjolkeun diri mah, ba -ngun teu harayangeun.

Mulang TarimaSatutas ‘nanjung’ ngaliwatan Ban-

dung, Tahcroni, mulang ka sarakansora ngan. Ngabdikeun dirina dinawidang pendidikan. Da, puguh didinya dunyana, digawéna gé, lir kuyadialungkeun ka leuwi, betah wé. Ngan,ku lantaran kabisana lain ngan ukurngawurukan barudak, tapi deuih bogabekel ‘ngawangun jaringan’ atuh kamana-mana gé blas-blus. Matak, teuanéh, mun ‘kaincer’ ku nu nyekelkakawasan di tingkat kabupatén gé.“Pagawé nagri nya kedah loyal, dimana wé di tempatkeunana, kedahkersa sareng daria,” pokna.

Tangtu, wé karirna gé, teu weléhnérékél. Ahirna, kapeto jadi KepalaDinas Pendidikan Kabupaten Brebes,Jawa Tengah. “Kalebet kepala dinaspangorana, waktos diistrénan téh,”ceuk ieu Doktor pendidikan nuumurna 43 taun téh.

Balik ka lembur, waktuna mulangtarima. Cenah, saha waé gé tangtunyaah kana budaya karuhunna. Kitudeui inyana, nyaah pisan kana budayaSunda téh, kaasup kana basana. Ngan,waktu disanghareupkeun kanakanyata an, basa Sunda di lemburna,teu meunang tempat anu merenah, di-rina uleng mikir. Salaku pajabat

Manglé 24616

TTamu

Tuturus buadaya di lemburna Dr. Tachroni, M.Pd. (tengah), Kadisdik Kab. Brebes

Page 8: Mangle 2461

pamaren tah, tangtu wé kudu ngalak-sanakeun kawijakan anu nyampak,kaasup nu tumali jeung basa Sunda.

Tumali jeung pangajaran basa gékitu, saperti kepala dinas pendidikantéh kudu ‘ngawal’ palaksanaan pen-didikan di wewengkon nu digérohna,nya kaasup nu tumali jeung panga-jaran basa. “Najan di wewengkon nunyata-nyata padumukna maraké basaSunda, naha éta basa teu kaagéhantempat?” pokna semu nanya. Tangtuwé, patalékan kitu téh keur dirina mah,lain ukur semet panasaran. Da, tuma -nya kitu téh, ébréhna kanyaah ka basaséler bangsana. Sanggeus mikir di -bulak-balik, sarta ngimeutan rupa-rupa aturan nu nyampak nu tumalijeung basa, inyana gé langsung ngirim -keun Surat ka Gupernur Jawa Tengah.Intina, miharep basa Sunda diajar -keun di lingkungan barudak Sunda.Kahayang kitu memang dihaminan.“Di sakola-sakola nu lingkungananabarudak Sunda, basa Sunda diajar -keun di sakola,” pokna tandes naker.

Pangaruhna gedé naker keur paraguru gé. Nu asalna asa-asa, ayeunamah, teu kudu hangham. Najan dinakurikulum taya pangajaran basaSunda, nu aya mah basa Jawa, tetepnu diajarkeun basa Sunda.

Urang Sunda di Brebes, nganggaplemburna téh, lembur Sunda. Ari JawaTengah mah, ukur garis administrasipamarentahan propisni. Da,padumuk na mah ngaku arinyana téhpribumi nu tiluluhurna gé angger di

dinya. Di wewengkon Brebes nungawengku tujuh welas kacamatan,urang Sunda téh sumebar di dalapankacamatan.

Najanpangajaran basa Sunda diJawa tengah teu ditangtayungan kupayung hukum anu jinek, para kepalasakola SD teu ngarasa hariwangngajar keun basa Sunda. Kitu téh, lan-taran dirojong ku Kadisna. Atuh, mundunungan sakitu ngahucuhkeun baru-dak sina dialajar basa Sunda, sageuyguruna ngantep.

Ngan, kumaha upama gantidunungan, heug teu sarua kanyaahnakana basa Sunda? Tah, éta patalékantéh remen nepi ka Dr. H. Tachroni gé.Ngan, ari keur Pa Kadis mah, nu pen -ting sagala rupa kasempetan nu ayaayeuna dimangpatakeun sahadé-hadéna!

Miang tina PanineunganKaradenan, lembur H. Tachroni,

saperti lembur Sunda umumna. Atuh,ka tukang-tukang mah, dalitna lemburjeung seni Sunda gé écés naker. Teujarang, nu kariaan gé, saperti nyuna -tan, ngawinkeun, jeung sajabana,biasa naker tatanggapan wayang goléktéh. Dalangna, lian ti urang lemburogé, biasa ngondang dalang sohor tiJawa Barat, saperti ti Kuningan, Su -bang, jeung Bandung.

Obrolan Manglé jeung Kadis Pen-didikan, remen ébat, kabébénjokeunku antawacana Ki Dalang SudaryaIskandar, dalang pribumi, nu remen

manggung ka jauhna. Keur ahli pendidikan saperti Dr.

Tachroni, M.Pd., pintonan kasenianSunda téh, hadé pisan keur tururusnanjeurkeun budaya Sunda kaasupbasana. Komo deui, cenah, wayanggolek, leubeut ku palsapahna. Matak,waktu hawar-hawar, Ulang Taun ka336 Brebes, tina tujuh titik panggung,Tachroni, ngusulkeun dua panggunghuus keur kagiatan seni Sunda, diantara na wayang golék jeung Jaipo -ngan.

Teu ukur nyadiakeun pintonankeur masarakat, tapi Kepala Dinasmah ngeprak guru jeung kepala sakolasina lalajo wayang. Da, cenah, tinapinto nan wayang gé bakal loba luangkeur guru mah dina ngajarakeun basajeung budaya Sunda. Atuh, teu anéh,upama ajakan kitu téh, dibagekeun kupara guru gé. Di antarana pagali-wotana nu lalajo gé, guru-guru jeungkepala sakola nu hadir di tengah-te -ngah masarakat. Kadisna ogé teutinggaleun.

Miara budaya, ceuk Kadis Pen-didikan, meujeuhna mun digedurkeundi sakola. Apan, kekecapanana gé,sakola téh ‘puseurna’ kabudayaan.Ngan, cenah, tangtu wé, mun ‘uranggirang’ ngajak, lain ukur ku lalambé,tapi kudu jeung prakna. Kawasna, PaKadis mah, mahing élmu ajug. Da geu -ning, ngupayakeun nanggap wayanggolék, ngajakan guru jeung kepalasakola sina lalajo, inyana gé sarua milulalajo! *** (Ensa/AS)

7Manglé 2461

Ngeprak balad lalajo wayang

Page 9: Mangle 2461

Saban nyanghareupan parobahankapamingpinan nasional, ingetanEndang Karman teu weléh eun-

teup ka mangsa baheula. Waktukakawasaan Bung Karno lekasan, di-ganti ku Orde Baru, nyanghareupanSidang Istiméwa MPRS, taun 1967,méh-méhan kajadian perang rongkah.“Tah, nu nyalametkeun bangsa tinaperang sadulur téh, di antarana Sanusi

Harjadinata,” ceuk Endang Karmanmantén anggota DPR RI asal tatarSunda.

Nilik ka dinya, urang Sunda téh,ceuk Kang Endang (kitu katelahna),payus reueus lantaran boga inohong nugedé jasana ka nagara katut bangsa.Mun téa mah, nepi ka kajadian perangsadulur antara nu bébéla ka Bung Karnojeung pihak séjén nu sabalikna, nu bariskorban téh moal kurang ti sapuluh jutajiwa. Sabab, cenah, nu micinta BungKarno téh loba kacida sarta sumebar dimana-mana.

Harita, nu miharep PresidenSukarno dijagragkeun di pangadilankacida kuatna. Eta pihak meredih tang-gung jawab Bung Karno ku ayana kaja-dian Gerakan 30 September 1965. Nyatangtu mun Bung Karno ngeprak balad,ngagunakeun kakuatanana, bisa jadi tidua beulah pihakanana téh bakal lobanu jadi korban.

Dina dua kakuatan nu adu-hareu -pan, antara loyalis Sukarno jeungkakua tan pamaréntahan anyar nu

dilulu guan ku Suharto, inohong SundaSanusi Harjadinata, aya di tengah-tengah na. Inyana, nu dipikanyaah kuBung Karno sarta diajénan ku pihak nuboga kakuatan anyar, jadi panyambungcatur dina upaya nyegah banjir getih.Sanusi bulak-balik nepungan dua étapamingin sarta nepikeun kaayaan di ‘la-pangan’ nu harénghéng lir nu mapagperang Baratayuda. Ketakna kitu,tinemu hasil. Eta tokoh Jawa Barat téhmampuh jadi ‘diplomat’ nu nguntung -keun sakumna pihak.

Pamustunganana, Sidang IstimewaMPRS mustuskeun Presiden Sukarnodieureunkeun tina jabatanana lantarandianggap teu mampuh ngalaksanakeuntugasna dumasar kana UUD 1945 ogéintruksi-intruksi jeung katangtuanMPRS. Dumasar kana tinimbangan kituogé, dina tanggal 12 Maret 1967, MPRSngangkat Suharto jadi pejabat presiden.Ti harita, Presiden Sukarno pangsiunkalayan ‘status’ tahan rumah, ditem-patkeun di Istana Bogor nepi ka pu-pusna.

Manglé 24618

PPanineungan

Sanusi Harjadinata, inohong Sunda

Sanusi Harjadinata

Nyegah

Perang Dulur

Sabangsa

Méh-méhan perang sadulur. Mun dina wayang

mah perang Baratayuda.Kitu téh, lantaran dua

kakuatan adu hareupan, antara nu bébéla ka Bung

Karno jeung pihak nu sabalikna. Saha nu

nyegah éta pacéngkadan?Naha enya teu jadina

perang sadulur téh lantaran jasa

Sanusi Harjadinata? Endang Karman,

inohong Sunda, nembrakkeun

panineunganana. ***

Page 10: Mangle 2461

Inohong MasagiSanusi Harjadinata téh tereuh

Sukawening, Garut, Jawa Barat. Lahirtaun 1914, bibit-buitna kulawargapatani nu ramana jadi lurah desa. Satu-tas namatkeun HIS Garut, Sanusineruskeun sakola guru (HIK) di Ban-dung.

Ancrub kana pulitik kairut ku pidato-pidato jeung tulisan Bung Karno dinamangsa lemah cai méméh merdeka.Atuh, waktu dug-degna partey pulitik,inyana gé milih jadi anggota PNI.

Waktu Belanda ngayakeun agresimiliter (1947), Sanusi katangkep diTanggerang. Sabada dibébaskeun, inya -na miang ka Yogyakarta nu dinamangsa harita éta tempat téh jadiibukota Republik Indonesia. Basa Be-landa ngayakeun agresi militer nukadua (1949), Sanusi katangkep deui diMadiun. Sabada dibébaskeun, mulangka Jawa Barat sarta diangkat jadi Resi-den Priangan. Dina taun 1951, diangkatjadi gubernur Jawa Barat, kituna téhnepi ka taun 1957. Saterusna, kungsijadi Mentri Dalam Negeri dina réngré -ngan Kabinet Juanda. Taun 1959 kabi-net diganti, Sanusi jadi Dutabesar RI diKairo (Mesir). Kituna téh nepi ka taun1963. Mulang ka sarakan, jeneng RektorUniversitas Padjadjaran (Unpad), Ban-dung, nepi ka taun 1966. Ti dinya, meu-nang kapercayaan jadi Menteri UtamaPembangunan dan Industri, saterusnajadi Menteri P dan K.

Marén pancen tina jabatan menteri,mulang deui ka Bandung. Milih deuimakalangan dina partey. Taun 1975 jadiKetua Partey Demokrasi Indonesia(PDI) ti unsur PNI. Dina mangsa éta,kungsi jadi Angota Dewan Pertimba -ngan Agung. Ari icikibungna dina uru-san partey pulitik, nepi ka taun 1980.

Nilik kana lalampahanana, ceukKang Endang Karman, Sanusi Harjad-ina téh inohong Sunda ‘nu masagi’.Ninggang kana kekecapan, luhur elmujembar pangabisa. “Pa Sanusi mahnagara wan, cendekiawan, Muslim nutaat, pendidik, diplomat, ogé panganuttasaup,” pokna.

Dina implengan Endang Karman,Sanusi téh inohong Sunda nu apal kanapalsapah, sajarah, jeung adat-istadatSunda. Kanyahona kitu, dikuatan deuihku kataatanana kana agama. Ebréh dinaparipolahna, lian ti nyunda téh deuihdibarung ku kasolehan sosial nu di-dadasaran ku agama. “Da, anjeunna

mah apan ngagem tarekat,” pokna.Paripolahna, ceuk Kang Endang,

leuwih ngutamakeun kamaslahatanbalaréa batan ukur mentingkeun pri -badi jeung golongan. Atuh, dina urusankahirupan, teu sing mentingkeunkakawasaan. “Dina mémérés pasualan,leuwih ngaheulakeun kapentinganbalaréa kalayan ngalarapkeun paribasacaina herang laukna beunang,” pokna.

Sikepna dina pulitik, ogé ébréh.Pulitik téh keur Sanusi Harjadinata

mah, alat atawa pakakas keur kahadéanmanusa. Kamandangna kawas kitu,katangén dina méméres pasualan. Munkiwari loba nu percaya yén dina pulitikmah euweuh kawan jeung lawan anuabadi da nu aya mah kapentingan, keurSanusi mah, nu kawas kitu téh dipahingpisan. Apan, papatahna ge, “Beda aliranpulitik jeung idiologi mah, teu nanaon,nu penting ulaha nepi ka megatkeunduduluran,” Kang Endang malikandeui kekekcapan éta inohong.

Upama Endang Karman apaleunkana lalakon Sanusi Harjadinata, damémang wanoheun ti ngongora.Baréto, Kang Endang, aktip dina Gera -kan Pamuda Marhaenis (underbowPNI). Rémén ngadédéngekeun pidatojeung papatah Sanusi Harjadinata katutpara inohong partéy séjénna. Lian tikitu, remen ubral-obrol rupa-rupa halnu tumali jeung kahirupan kanagaraandisawang tina sisi partéy pulitik.

Waktu Patai Demokrasi Indonesia(PDI) ngayakeun kongrés di Istora,Senayan, Jakarta, Endang nu harita jadi

pangurus Cabang PDI di Bandung, bogapikiran, hayang ngajenengkeun putraSunda jadi pingpinan Partey Pulitik.“Mun kaduga, saterusna sina jadi Presi -den, kitu angkanan mah,” pokna.

Tinimbangan Endang Karman, lianti Sanusi téh masagi, deuih bisa ditarimaku méh sakumna golongan nu aya diPDI. Jalan nu disorangna, mémangtarahal. Ku lantaran kitu, Endangngadongéngkeun pakarepanana kapihak séjén. Horéng, loba nu ngahami-

nan. Atuh, saterusna, dina kongrés étapakarepan téh ditepikeun ka balaréa.“Sacara aklamasi, Pa Sanusi kapilih jadiKetua Umum Partey Demokrasi,”pokna.

PDI nu dijerona ngawengkusababara partey, ngaliwatan ‘fusi’ téa,tétéla nyidem bibit-buit pacéngkadan.Kituna téh, manjang nu ahirna, parteytéh sibuk méméres pasulan di jero.Antuk na, ku lantaran Sanusi Harjadi-nata mah, teu resepeun kana pacog -régan, milih ngundurkeun diri tinakalungguhanana di éta partey.

Gurat pulitik jeung kamanusaan,natrat dina pribadi Sanusi Harjadinata.Ceuk Kang Endang, upama urusananatumali jeung kamanusaan nu menting -keun duduluran, Sanusi mah, taranyampurkeun éta urusan jeung aliranpulitik. Geuning, saha waé nu teudamang komo nu tilar dunya, boh sobatboh lawan pulitik anjeunna mah teuweléh ngalayad. “Tah, pasipatan kitu nukacida arangna di urang mah,” ceukEndang Karman. *** (Ensa/Nay)

9Manglé 2461

Endang Karman

Page 11: Mangle 2461

Manglé 246110

Lebah tanjakan, ngabringdibaraju pangsi. Léokméngkol, ka lebah wawangu-

nan hateup eurih sisi jalan. Ti ka-jauhan, ti éta tempat téh kadéngétérététna sora tarompét miriggolémpang kendang penca. Di manaéta téh? Di ditu, di Kampung Tiis-dingin, Désa Loa, Kacamatan PaséhMajalaya, Kabupatén Bandung,Jawa Barat.

Barudak nu diparangsi hideung,hut-hét metakeun rupa-rupa jurus -na. Bagilir siligenti némbongkeunmomonésna. Saban réngsé pinto-nan, sakur nu araya di dinyangabagéakeun ku keprok tandaningkataji ku momonés nu némbong -keun pangabisana.

Kagiatan nu kawas kitu, maneuhkadieunakeun mah. Nu daratang kadinya gé ti sababaraha padépokan.Enya, apan éta tempat téh, ayeunamah lir pangauban. Nu biasana teuboga kagiatan maneuh, ayeuna mahbarudak nu dialajar silat gé bisamayeng latihan nu sakalianmintonkeun kamampuhanana.

Ka dieunakeun, éta lembur téhbeuki haneuteun. Da, jadi pangau -ban urang lembur nu pada-padaboga karesep kana seni pangpangnamah. “Seueur poténsi nu sakedahnadipatéahkeun sangkan langkungmekar,” ceuk Wawan Ridwan. SE.,MM., pingpinan Padépokan Tan-jung Cempaka Wangi.

Wawan Ridwan téh pangsiunan.

Seni lain ukur kalangenan.

Da, loba mangpaatna, kaasup

nguatan jati diri masarakat.

Kitu ceuk Wawan Ridwan,

pupuhu Padepokan Tanjung

Cempaka Wangi.

***

Wawan Ridwan. SE., MM. (kadua ti kénca), pingpinan Padépokan Tanjung Cempaka Wangi

Padépokan, nuwuhkeun sumanget anyar

Meunang pangbagéa ti balaréa

IImplik-implik

Page 12: Mangle 2461

11Manglé 2461

Réngsé mancén gawéna di dinas nuraket tumalina jeung budaya, inyanamah teu cicingeun. Matak, satutaspangsiun, teu megatkeunkatineung na kana budaya.

Saperti umumna palemburan ditatar Sunda, kasenian téh hirupsumebar di saban tempat. Ngan,loba nu hirup teu jeung huripna.Atuh, dina nganteur kalangenana,ogé loba nu ukur sakadugana.“Seueur pakumpulan seni sapertospenca silat tapi teu gaduheunpakakasna,” pokna.

Ngabandungan kaayaan kitu,Wawan Ridwan ngarasa, misti ayapihak-pihak nu mampuh marenganmasarakat dina ngalaksanakeunpakarepanana. Da, ceuk ieu mantenKepala Balai Kepurbakalaan DinasPariwisata dan Kebudayaan (Dis-parbud) Propinsi Jawa Barat téh,karep masarakat mekarkeunkalangen ana butuh panuyun pihakséjén. “Ku daraékna gé sabenernamah geus alus,” pokna.

Dina implengan Wawan, kase -nian di palemburan bisa hirup jeunghuripna, upama meunang pang -rojong ti balaréa. Da, cenah, ariakar-akar jeung kadaék masarakatmah teu kurang-kurang. Geura wé,arinyana masih kénéh daékngaleukeunan seni talarikaruhunna.

Seni warisan karuhun, bisa hirupjeung huripna. Ngan, tangtu wélamun aya nu ngarojong, kaasuppangrojong ti pamaréntah. Da, nepika danget ieu mah, hirup-huripnaseni téh ukur ngandelkeunmasarakat nu mitineung kana étakasenian.

Dina mangsa mahabuna kase -nian ti luar, loba lingkung senikasilih keun. Apan, ayeuna mah,beuki arang nu hahajatan sapertinyunatan nanggap penca silat. Atuh,

beuki dieu, éta kasenian téh beukijauh jeung balaréa.

Kapunjulan AlamLembur Tiisdingin, perenahna

teh di Majalaya. Ti termina, ayakana tujuh kilo meterna. Jalannananjak-mundun pungkal-pengkol,ilaharna di pagunungan. Alamkawas kitu, horeng nyidem rupa-rupa kapunjulan nu payus jadikareueus masarakatna. Di dinya, gedi antarana aya sababaraha situs nusok didatangan ku masarakatsabudeureunana. Lain ti eta, ayadeui pangulinan, saperti Curug Etitea.

Adumanis kapunjulan alamjeung budaya, bisa jadi pangirutanwisatawan. Matak, Wawan Ridwannu dina mangsa mancen gawena ayadi ‘lingkungan’ Dinas PariwisataJawa Barat, boga karep ngamang-paatkeun eta kaayaan.

Padepokan Tanjung CampakaWangi, memang pangauban. Da,ahirna mah, lain wae nu lalatihanpenca silat nu biasa tepung lawungdi dinya teh, tapi deui sababarahakuncen nu aya di sabudeureun etatempat. “Ngahaja juru piara (kun-cen) ge diajakan ngagabung di ieupadepokan,” ceuk Wawan Ridwan.

Dina angen-angen ieu pupuhupadepokan, sumanget masarakatmiara seni Sunda, bisa dimekarkeunjadi rupa-rupa kapentingan, sapertiwisata jeung ékonomi.

Tumali jeung wisata, diwewengkon éta tempat ayapangjugjugan. Aya curug nu biasadianjangan ku nu arulin. Beuki dieuéta curug téh beuki sohor, da tinabéja nu terus pabéja-béja. Atuh,Curug Eti nu anggangna tipadépokan ukur sakilo méter téhbeuki haneuteun. Méh saban poé-poé peré barudak sakola, éta tempat

jadi pangulinan.Loba jalma, loba kagiatan, loba

anléh jeung momonésna. Saterusna,bakal loba pangaruhna, kaasup tu-mali jeung ékonomi. Keur uranglembur saperti Majalaya, apan geusboga katuangan has, nu diantaranatéh borondong téa.

Mekarna pariwisata, lobauntung na keur kamekaran ékonomigé. Apan, bisa jadi cukang lantaranmekarna kulinér ogé cendera mata.Hartina, hasil-hasil kaolahan jeungbarang karajinan, bisa jadi pamukalawang usaha geusan karaharjaan.

Dina angen-angen Wawan, lobakénéh nu bisa dimekarkeun. Inyanagé boga rarancang hayangmekarkeun batik nu has di éta tem-pat. Lantaran cenah, batik ti étadaérah gé boga ciri mandiri nu bédajeung batik-batik séjénna.

Léngkah mekarkeun lemburngaliwatan padépokan, keur Wawanmah, impian ti baheula mula.Karepna kitu, mémang kajurung kukamampuh jeung pangalamanana.

Padépokan Tanjung CempakaWangi, beuki dieu beuki haneuteun.Nu ngadon ulin ka dinya gé lain waéwarga sabudeureun éta lembur, tapideuih ti jauhna. Atuh, pangbagéa tipamaréntah gé mimiti témbong. Etapadépokan gé kungsi narima ban-tuan ti pamaréntah keur ngabebe-nah padépokan jeung saranaséjénna. “Alhamdulillah seueur nungarojong,” pokna.

Kapunjulan lembur, can karo-jong ku sarana séjénna. Nu bogakarep ka éta tempat, mun teu mawakandaraan pribadi, kudu kana ojég,da kéréték mah moal kuateunnanjak na. Hartina, mun éta tempatdijadikeun pangulinan, salah sahijibangbaluhna mah, sual patalimarga,lantaran taya kandaraan umum nulalar-liwat ka lebah dinya. ***

Mekarkeun SeniMikawanoh Jati Diri

Page 13: Mangle 2461

Manglé 246112

NNyusur Galur

Minggu pengker pedaran Lutfi Yondry sangArkeolog parantos dugika nyarioseun ping-pinan karismatik. Pikeun masarakat ajen

karismatik sang pamingpin téh mangrupa unsur anunangtukeun nu engkna bisa digunakeun pikeun narikjeung ngagumulungkeun spirit masarakat. Mulangdeui kana permasalahan ngadegkeun wangunanmonu men megalitik di tengah pakampungan anupadumukna seutik, tangtuna dina kagiatan sapertikitu dibutuhkeun rempug gawé rereongan atawa go-tong royong tepi ka masarakat bener-bener bisa gawébabarengan dina waktu ngawangun jeung mindah -keun wawangunan monumen megalitikna. Kitu nudiungkabkeun ku Lutfi Yondri neruskeun pedaran -ana.

Cara mindahkeun batu anu kacida badag turbeurat na kungsi diungkabkeun ku Rumbi Mulia(1980) dina tulisana anu dijudulan “ Nias the onlyOlder Megalithic Tradision In Indonesia”. Dinatulisana dipintonkeun kumaha carana mawa batu(menhir) ku jalan gotong royong, rempug gawébabarengan sakuma masarakat padumuk kampungtempat diwanguna monumen. Nu mingpin gawé go-tong royongna, lalaki bedas nangtung luhur batu baringayun-ngayun pedangna luhur sirah (Mulia 1980-22). Percobaan mindahkeun batu maké teknologibasajan ku sajumlah manusa anu teu sabaraha lobanakungsi dilakukeun ogé di Bougon Perancis kulon taun1979. Ku jalan ngagunakeun tilu teukteuk kai baradaganu masing-masing digerakeun ku tanaga 20 urangjelema, tapi tétéla mampuh mindahkeun batu anubeuratna 32 ton ( Rnfrew 1996; 301).

Sikep musyawarahSikep musyawarah dina nyindekeun putusan

masarakat megalitik dipintonkeun dina barang titing-gal arkeologis mangrupa tahta batu (stone seat) jeungbatu ngarengkol (stone enclosute) nu mangrupa batu-batu monolit anu disusun maké pola husus. Lobangaran anu dipaké nyebut titinggal saperti kitu. Jiga -na baé ngaran-ngaran éta téh aya kaitanna jeung isti-lah nu disebut ku masarakat di lokasi tempat titinggal

sajarah téa aya. Jeung aya ogé anu aya kaitanna jeungperenahna lokasi di alam. Saperti di jawa paninggalansaperti kitu disebut maké istilah “watu kandang”.Sababaraha bentuk susunan batu nu ngarengkol anudénahna pasagi, aya bujur sangkar masih bisaditengetan di punden umpak Gunug Padang. Tinadata sarupa kitu tangtu bisa ditapsirkeun yénmasarakat megalitik Gunung Padang baheula geusmintonkeun tata cara musawarah dina waktu nyinde -keun putusan. Kulantaran korsi-korsi batu di hijikolompok paninggalan henteu loba. Tangtuna étangaindikasikeun yén teu kabéh anggota masarakatmilu musawarah, tapi ngan diwakilan ku sawataraurang anggota masarakat nu dianggap wawakilanggota masarakat jaman baheula.

Ceuk Lutfi, bisa dibandingkeun jeung masarakatjaman kiwari, sabenerna baheula kompleksitaskahirupan masarakat megalitik bisa jadi jauh leuwihbasajan. Kabasajanan ieu disababkeun kulantarantingkat karageman masarakat jaman harita henteusakomplek kaayaan masarakat kiwari . Tapi kumahaajen kapamingpinan, milih pamipin atawa pamingpinnu muncul di tengah masarakat , ajen rempug jukungbabarengan jaman harita tangtuna bisa dijadikeuneunteung pikeun hirup bermasarakat jaman kiwari.Punden Gunung Padang anu sakitu badagna turta di-wangun ku rewuan balok batu andesit jaman baheula,bisa dicindekeun mustahil bisa ngawujud upma hen-teu dipingpin ku pamingpin karismatik.anuhubungan na raket jeung masarakat. Lian ti kitu tang-tuna hal ieu oge dirojong ku ayana sikep musawarahjeung sikep gotong royong nu mampuh ngahimpunsakumna masarakat pikeun ngawujudkeun pundenumpak Gunbung Padang dina jaman baheula. Tinarewuan balok batu andesit nu disadiakeun ku alam diGunung Padang. Masarakat Gunung Padang jamanbaheula geus maher ngamangpaatkeun sumber dayabatuan anu geus nyampak. Terus dipilih, saterusnadisusun anu beres tur rapih make tehnik susun anuarif dina merenahkeun tempat upacarana di puncakbukit anu gampang longsor, urug jeung runtuh. Nyaieu harta karun ngeunaan ajen kapamingpinan,

Punden Berundak Gunung PadangEunteung Jaman Kiwari

Page 14: Mangle 2461

13Manglé 2461

hubungan antar pamigpin jeung masarakat, antarmasarakat jeung ajen pangaweruh anu luhur ajennaanu disimpen satukangeun punden umpak gunungPadang, Bisa jadi ieu jati diri bangsa urang anu beuki

ngaleungit di tengah kahirupan urang kiwari. KituLutfi Yondri nutup pedaran ka Mangle ngeunaangunug Padang. ***

(rengse)

Naskah Carita Parhiyangan salahsahiji naskahLontar nu digurit dina basa Sunda buhun, di -susun dina abad ka 16 Masehi katomperna -

keun, teu lila sabada runtagna Karajaan Sunda. Ieunaskah bisa dianggap sumber sajarah pangkahotnaanu nuduhkeun yen Dewi Citraresmi bener-bener ayatur kungsi kumelendang di alam dunya. Anjeunna tehputri Sunda anu perlaya dina perang Bubat di Maja -pait. Dewi Citraresmi atawa nu katelah Dyah Pitalokageus jadi sabiwir hiji sohor ku sajarahna, seungit ko-mara jeung legendana, anjeunna jadi lambag kasatia -an ka kulawargana, iklas bumela ka nagara, pengkuhdina enggoning ngajaga sarta ngajaring martabatsarakanana.

Dyah Pitaloka dibabarkeun di lingkungan karatonSurawisesa Kawali (Ciamis) taun 1261 Saka (1339Masehi), wapat di Bubat Majapahit dinten Salasaping 13 Paropeteng bulan Bhadrawada taun 1278 Sajameneran 4 September 1357 Masehi. Dewi Citraresmiteh putra Prabu Maharaja Lingabuana ti prameswari -na nu jenengan Dewi laralisning, iburamana masihkeneh saderek sabrayna, salaki ti Prabu Ajiguna, rajaSunda anu, raja Sunda anu nyangking kalungguhanti taun 1333 tepi ka taun 1340. Ari Prabu maharajalinggabuana putra prabu Ragamulya I LuhurPrabawa ti prameswrina. Ati Dewi Laralisning putraprabu Arya Kulon, raja wewengkon Sunda (1332-1350) ti prameswari nu jenenanna Dewi Kiranasari,sani putra Prabu Ajiguna ti Ratna Unakestari. Maha -raja linggabuasa jeneng narpati di Karajaan Sunda 7taun (1350—1357) ngagentos Prabu Ragamulya,rama na anu jeneng narpati 19 taun ri taun 1340- 1350. Eta tilu Prabu, nyaeta Linggabuana, Ragamulyajeung Ajiguna jeneng narpati keur 2 karajaan, nyaetaGaluh-jeung Karajaan Sunda, anu mashurna Karaja -an Sunda. Kusabab kitu, lamun nilik kana kokoco-ranana bibit buit Dyah Pitaloka teh ti dua kokocorangumulung jadi hiji, Galuh ti pihak rama, Sunda tipihak ibu. Prabu Maharaja waktu nyakrawatingabahudenda di Karajaan Sunda linggihna di kara-

ton Surawisesa Kawali nu harita jadi puseur dayehKarajaan Galuh jeung Puseur pamarentahansakumna Karajaan Sunda. Ari Raja di wewengkonGaluh Prabu Suryadewata raina Prabu Ragamulya.Puseur pamarentahan samemehn kungsi di Pakuan(ayeuna Bogor). Karajaan galuh jeung KarajaanSunda ngadegna di Tatar Sunda ku rundayan RajaTarumanagara sajaman nyaeta abad ka 7. KarajanSunda perenahna di beulah kulon, Karajaan Galuhbeulah wetan, watesna walunga Citarum. Dina hijimangsa eta dua karajaan teh pada-pda hirup mandiri.Tapi dina mangsa sejen duanana ngahiji deui,pmarentahanana dicangking ku hiji raja, dumehmeu nang hak waris pikeun marentah ti prameswa-rina atawa ti saderekna. Puseur pamarentaan jamanDyah Pitaloka teh di Galuh (Ekadjati 2006; 34).

Dyah Pitaloka atawa Dewi Citraresmi kagungandua rai saibu sarama, istri jeung pameget. Raina anupameget jenenganna Niskala wastukancana anuengke na jeneng raja ngagentos ramana (1371-1475)sabada diselang heula ku pamanna nyaetaMangkubumi Suradipati (1357-1371), walina, sababbasa ramana wapat, Niskala Wastukancana bureykeneh pisan. Ari putra istri jenenganna Ratna Par-wati, engken ditikah ku Prabu Surendra Buwanaloka,raja di wewengkon sunda. Tumali jeung musibahBubat, urang ayeuna ngan kabageamn dongengnawungkul, bisa keneh nyeuseup seungitna tinapangala man jaman baheula nu nyambuang diKawali.Klah kumha bae oge kahade, sakumahabeurat na anu kaalaman ku Citraresmi jeungkulawarga na tepi ka luas mapag pati kusabab bogakeneh ajen diri, Sok sanajan tragedi Bubat jadikaprihati nan, tapi oge jadi lambang kaperwiraanjeung kasatriaan. Jenengan Prabu Maharaja Lingga -buana dileler jujuluk Prabu Wangi sarua jeung raja-raja Sunda sabadana anu gede jasana ka rayat,katelahna Prabu Wangi atawa prabu Siliwangi.***

- Tina buku Badingkut - Elis Suryani NS

Citraresmi Wapat di Bubat(Carita Parahiyangan)

Page 15: Mangle 2461

Manglé 246114

MMunara Cahaya

Sanaos ayeuna tos lebet kana tung-tung bulan Robi’ul Awwal(mulud), tapi ari héabna mah

angger karasa. Seueur kaum musliminnu masih miéling muludan disababaraha tempat. Seratan di handapieu, mudah-mudahan janten bekel keurngandelan kana intirasi miélingdibabarkeunana jungjunan urang Kang-jeng Nabi Muhammad SAW.

Islam téh linuhung, Islam téh agung,Islam téh mulya. Dawuhan Alloh Swt.“Alloh Dzat nu geus ngutus Rasul-Nabari nyandak pituduh jeung Agama nubener pikeun kaunggulan ka sakumnaagama-agama nu aya, sanajan jalma-jalma musyrik teu saruka.” (QS. AshShaff: 9).

Kitu deui Islam nu unggul, Islam numulya téh lain keur sasaha, tapi keurbekel hirup jalma di dunya. Ngan han-jakal, jalma-jalma dina buktina mah,loba kénéh nu teu kabita ku mulyanaIslam. Boh tukang macul di kampung,tukang dagang di pasar, para pajabat dipamaréntahan, para doktor di fakultas,apan loba kénéh wargi-wargi urang nuteu kabita ku agungna agama Islam.Upama loba umat geus nu teu kabita kuagama Islam, mangka bakal sakeudeungdeui maranéhna curiga ku agama Islam.Lamun geus curiga ku agama Islam,mangka sakeudeung deui bakal ngéwakana agama Islam.

Tah, kaayaan kiwari bisa disebut -keun kitu. Lantaran, nu hoyong disebutumat Islam sorangan, apan loba kénéhnu lampahna patojaiyah jeung ajaranIslam. Islam ngajarkeun solat sangkanmulya, tapi dirina teu kabita ku solat.Islam ngajarkeun zakat, buktina mahloba kénéh nu teu kabita ku zakat. Islamngajarkeun jujur, tapi geuning loba

kénéh nu teu kabita ku jujur. Éta sadaya -na, lantaran umat Islam sorangan teukabitaeun kana agamana sorangan.Naudzubillahimin dzalik.

Ayeuna kantun patarosanana.Panga jian dimana-mana, dina tipi, dinaradio, di saban tempat, tapi naha jiga nuteu aya tapakna? Naha loba kénéh umatnu tisolédat? Naha umat loba kénéh nuteu kabita kana ajaran agama Islam?Enya, teu bisa disumputkeun, da mé-mang kitu buktina. Bukti apanan, boro-boro urang babari ngajak umatdeungeun sina asup kana agama Islam,dalah ngajak kana bener ka umat Islamsorangan ogé apan kiwari mah hararésé.Boro-boro ngajak ka batur, apan kaputra urang sorangan ogé sakituhararéséna. Kitu deui boro-boro ngajakkana urusan nu patali jeung agama,apan ngajak kana widang sosial ogé geushararésé.

Tah, pasualan-pasualan kitu, tangtuurang uihkeun deui kana diri pribadiséwang-séwangan. Naha urang bethararésé ngajak jeung hararése nyarek,sedengkeun ari jungjungan urang RosulMuhammad SAW, bet gampang ngajakjeung babari nyarék?

Kanggo waleranana, hayu urangtala ah kana surat Al-Ahzab ayat 45-46nu unina kieu:

Nu pihartoseunana : Hé... Nabi,

saéstuna Kami geus ngutus anjeun téhjadi saksi, méré béja nu ngagumbira -keun jeung méré panyarék. Jeung nungagero kana agama Alloh kalawan ijin-Na sarta keur jadi cahya nu kacidabéngras na.

Sakumaha dawuhan di luhur,mangga urang talaah, urang talungtik.Saur Alloh, hé... Nabi, anjeun di utus téhlain keur naon-naon. Lain keurbagadang, lain keur purah-purah, laindunya keur ulin, lain keur léha-léha, tapianjeun di utus téh teu aya deui iwal jadi‘saahidan’, jadi saksi.

Saksi tina naon? Nyaéta saksi tinaagungna agama Islam. Lantaran lobaumat nu can apal kana agungna agamaIslam. Naon ari saksi téh? Saksi téhnyaéta bukti. Hakim teu bisa méréhukumana ka hiji jalma upama teu ayasaksi. Lantaran saksi téh bukti oténtiknu kacida pantingna. Tah, KangjengRosul téh bukti. Naha bet saksi? Keurnaon ari saksi téh? Nyaéta keurngabukti keun perkara nu teu katempo.Contona waé, upama aya hiji bangsatkatéwak ku hansip, terus diadili ku paRW, tangtu nu pangheulana di-tanyakeun téh, mana buktina. Salila teuaya buktina, Pa RW bakal héséngahukuman éta bangsa nu dicuriga.Keur bingung kitu, jol wé aya rondadatang ti imah nu kabangsatan, barimawa KTP bogana nu dicuriga étabangsat. Terus ngobrol ka Pa RW. PaRW éta téh bangsat. Ieu buktina. Sidikkapanggih aya KTP bogana éta jalma.Tah, éta ronda téh bisa disebut ‘sahidan’saksi téa. Tah, Kangjeng Rosul ogé di -utus téh jadi saksi, jadi bukti ka nu teuapal agungna agama Islam.

Ayeuna aya patarosan deui, naha kunaon Rosul méré saksi méré bukti kana

Kangjeng Rosul Muhammad SAW,

Bukti Kaagungan IslamKu Rudi H. Tarmidzi

Page 16: Mangle 2461

15Manglé 2461

kamulyaan Islam? Jawabanana ogé ayadua. Nu dua téh lain ku basa Inggrisjeung Arab, lain ku basa Francis jeungbasa Sunda. Tapi nu dua téh, nyaétatémbongkeun saksi anjeun ku dua basa,nyaéta ku basa pagawéan jeung ku basalisan. Ku basa pagawéan disebutnaconto jeung ku basa lisan disebutnapidato.

Margi kitu, sakumaha patarosan tadidi luhur; naon sababna Kangjeng Rosulsalila 23 taun mémérés umat téh bisabérés roés, gampang nitah babarinyarék? Jawabanana témbrés, lantaranRosul mah ngalarapkeunana ku contojeung ku pidato. Kumaha ari urang?Sidik, urang mah apan hésé méré conto.Sedengkeun da’wah conto téh apan nupanghadéna. Tapi lain hartina nu pidatoteu hadé, tapi ku méré conto leuwihhadé tinimbang ku pidato.

Kangjeng Rosul NyontoanHeula

Saréngséna surat Al-Ahzab lungsur,Kangjeng Rosul ngumpulkeun parasoha bat. ‘Ana awwalu wajibu ’ala maamarotukum bihi’. Upama dibasakeunmah, hé para sohabat, ulah mangmangulah ringrang, ulah ngarasa leutik haté.Naon nu diparéntahkeun ku Gusti Alloh,éstuning teu matak beurat, lantarankawula bakal ti heula keur ngalaksana -keunana. Méméh anjeun ngalaksana -keun prak-prakan ibadah, tangtu kawulanu bakal pangheulana méré nyontoanngalaksanakeunana.

Tah kitu, Kangjeng Rosul mah.Paming pin téh lain wani saukur nitah,lain wani saukur pidato, tapi méméhbatur ngalaksanakeun, dirina sorangannu kudu biasa ngalaksanakeun. Contonawaé, waktos Kangjeng Rosul maréntah -keun kana sunahna solat Tahajud, apanméméh nitah ka para sobahat téh, kang-jeng Rosul mah tos ti heula pisan.

Palebah dieu, singhoréng bisa ka-harti, yén Kangjeng Rosul téh saksi.Saksi keur nganteurkeun, keurnémbong keun mulyana agama Islam.Seueur deui hikayat Rosul nu sawadinaméré conto ti heula, boh dina urusanibadah, boh dina urusan akhwalussyah-siah- rumah tangga.

Sanggeus Kangjeng Rosul masihanconto, saterasna ku pidato. Ari pidatokangjeng Rosul apan sakitu mulyana.

Bujeng-bujeng manusa, dalah sasatoankayaning oray jeung manuk-manuk ogéngadadak cicing, lantaran agungnahikmah nu didugikeun ku KangjengRosul.

Patarosan salajengna. Naha ariRosul babari pisan méré conto, ari uranghararésé méré conto? Jawabana ogé ayadua. Lantaran, anu kahiji kaimananjeung kaislaman dina diri urang tara di-gemuk jeung tara dipager. Maksud di -gemuk téh nyaéta ku rupa-rupa ibadahjeung amal soléh. Saperti pepelakan,upama teu digemuk, apan dina jadinaogé moal matak nyugemakeun. Tah,urang gé sarua. Upama kaimanan jeungkaislaman urang teu digemuk, mangkanu aya bakal hésé jadi conto. Islamnganjurkeun sangkan diri téh kudu di-gemuk ku sodakoh, tapi geuning urangmah kalah sieun. Sieun masakat sieunmalarat. Diri sangkan digemuk ku solat,apan urang mah kalah horéam. Sieunngaganggu pagawéan. Diri sangkanhadé ka sasama, apan urang mah,haroréam. Kitu polah diri urang nu ku-rang gemuk téh.

Ari nu kadua, lantaran kaislamanjeung kaimanan urang tara dipageran. Di-pageran ku naon? Nyaéta ku élmu. Tahélmu téh pager. Pager keur ngajagakaayaan urang. Contona wae, upamatatangkalan geus digemuk, tapi teu di-pager, mangka tatangkalan ogé bakalkaancam ku sato galak jeung sajabana.Kitu deui dina kaislaman jeung kaimananurang, salawasna kudu dipager, sangkanteu kaganggu ku panyakit atawa ku panga -ruh nu matak nyasarkeun.

Margi kitu, bisa kaharti, naonpangna kaislaman urang uduh pisan.Singhoréng, urang mah héséngalakukeun atawa méré conto. Komodeui, haté urang mah tara digemukjeung teu boga pager anu kuat. Pangnakitu, teu aya deui cara, hayu urang bara-lik deui kana papagon Islam sakumahanu dicontokeun ku Kangjeng RosulMuhammad SAW.

Béja Gumbira Tugas anu kadua, nyaéta mubasiron,

tegesna méré béja gumbira. Allohngutus Rosul sangkan méré béja pikeunjalma-jalma anu pengkuh kana agama.Di dunya bakal bagja di hérat bakalsalamet.

Sakumaha dawuhan Alloh di luhur,tiasa dijelaskeun, yén saha jalma nu imanjeung takwa, mangka Alloh bakal mérékabagjaan nu teu kapalang, nyaéta mang -rupa barokah nu diturunkeun ti langitjeung ti bumi. Tah, ieu pangbubungah téhkeur jalma-jalma anu ariman jeung anutarakwa. Lantaran bakal béda, jalma nukagolongkeun hamba iman jeung hambasyaetan. Hamba nu iman, wawalesnasawarga. Sabalikna hamba syaetan,wawalesna naraka. Margi kitu, béda lam-pah jeung kaimanan di dunya, pasti bakalbalitunganan di alam jaga.

Katilu, méré panyarék. Jalma di alamruh téh sarua, baroga poténsi fitrah anuhadé tur iman. Alastu birobbikum? cekkabéh ruh, ‘Bala sahidna’. Kitu, kaasupsabejad Fir’aun jeung Abu Jahal, nu saruabaroga fitrah iman. Tapi barang borojolka alam dunya mah béda-béda. Tah,Rosul téh keur nyarék sangkan ulahnurut kana léngkah syaetan. Lantaranpolah nu kitu téh bakal rugi. Kaopat,ngagero kana agama Alloh Swt. Ieukacida beuratna. Seueur kajadian nu tu-miba ka Rosul nalika dakwah. Jalma-jalma kafir geus biasa sok malédoganKangjeng Rosul ku kokotor onta. Tapi, kuahlak Rosul anu mulya, nu tadinangahina, ahirna seueur nu asup Islam.Lantaran Kangjeng Rosul geus mérébukti kana mulyana agama Islam.

Nu kalima, cahya anu kacida béngras -na. Kacutat ahlak nabi; siddik, fatonah,amanah jeung tablég. Éta sadayana cahyanu teu aya babandinganana. SanajanKangjeng Nabi Muhammad SAW mahRosululloh, tapi angger risalahna mahhenteu keur Rosul wungkul. Ku kituna,salaku umat Islam urang wajib apal turngalampahkeun agungna Islam,sakumaha al-Qur’an sareng hadits keurpituduh umatna nepi ka ahir jaman.Mudah-mudahan urang sadayana kale-bet jalmi-jalmi nu kiat kanggo masihanconto mulyana agama Islam. Amin. ***

Page 17: Mangle 2461

HADÉ niatna mah. Mapaéskota ku ornamén nu ayapatalina jeung sajarah.

Pania tan awal mah nyaangan jalan dikota, malar ulah medem teuing.Enya, dina raraga ngalaksanakeunproyék Penerangan Jalan Umum,PJU.Sangkan teu sarua jeung kota-kota lianna, nu ngan “saukur”masang lampu dina saban tihanglistrik, di Bogor mah PJU téh didang -danan, diwadahan ku kujang. Atuhayeuna téh iwal ti caang, di Bogormah réa kujang sisi jalan nungawadahan PJU téa. Niat pamarén-tah kota téh tangtu wé sangkankotana artistik, berbudaya. Komoapan kota Bogor mah aya catetansajarah na, kawilang deuheus jeungPakuan Pajajaran. Piraku wé henteuaya tapak-tapakna onaman.

Éta kawasna nu jadi tinimbanganpemkot Bogor téh pangna nyieunankujang baradag sapanjang jalanpikeun ngawadahan PJU téa. Anageus jadi, bet henteu pada nyambat.Réa warga kota nu teu aratoheun dikotana réa kujang téh. Nu henteungarasa reueus di kota Bogor réa ku-jang téh nyaéta ti kalangan senimanbudayawan. Para seniman budaya -wan Bogor nganaha-naha naonsababna pemkot bet nyieun ornaménsamodél kitu. Éta ornamén téh teumerenah pikeun disebut kujang. Ku-jang mah da lain kitu, cék senimanbudayawan Bogor méh rampak. Ku-jang mah lain ngan sakadar aya elukjeung aya liangan dina tonggongnawungkul, cék seniman budayawanBogor téh deuih.

Ornamén nu disebut kujang ku

pémkot kalah pada nyarebut pésogurka. Anu modélna kitu mah lain ku-jang atuh, cék salah saurang budaya -wan Bogor, tapi péso gurka, péso nudipaké nandasa kaom pribumi. Pirakunu kitu dijieun papaés kota. Para seni -man budayawan Bogor téa hanjelupédah basa pémkot ngararancang rékmapaés kota ku kujang téh teu kungsipisan ngajak badami. Éstu digugulungku pemkot wungkul. Padahal, céksawatara budayawan Bogor, mataknaon atuh ngajak badami heula.Ménta heula pamanggih ku para seni -man budayawan Bogor. Ulah digugu-lung ku aparat pemkot wungkul.

Hadéna pisan mah ornamén ku-jang pikeun ngawadahan PJU téhdisaémbarakeun. Ditangtukeun sahajurina nu ngawakilan senimanbudaya wan jeung saha nu ngawaki-lan aparat pemkot. Ku disaémbara -keun téh sakumna warga kota,kaasupseniman budayawan téa, bakalngarasa miboga. Copélna bakalngarasa boga andil mapaés kota. Arisagala ditangtu keun ku aparatpémkot bari henteu ngalibetkeunwarga kota mah aya bahan teu di-tarima ku balaréa. Da teu luyu jeungangen-angen.

Tina kajadian di Bogor téa urangbeuki yakin kana benerna babasan“hadé ku omong goréng ku omong”téh. Pangna kujang jieunan pémkotBogor diprotés ku seniman budaya -wan di éta kota téh ku lantaran paraseniman budayawanna ngarasa teudibabawa.Lain ukur teu dibabawa,dalah diajak badami gé henteu.Cacak diajak badami, diajak nga -riung, dipénta kamandangna heula,

tinangtu moal aya kajadian samodélkitu. Moal aya kujang nu cek seni-man budayawan Bogor modélna jigapéso gurka.

Tétéla geus lain jamanna deuipamarén tah mawa karep sorangantéh. Kalah kumaha waé ogé wargakota téh hayang diajak badami.Hayang milu mikiran ngabébéréskotana. Cenah rahayat téh geusngabogaan wakilna, nyaéta DPRD,da teu ngarasa cukup ukur ku kitu.Eukeur mah eukeur nu disebutDPRD téh apan teu némbongkeunketak ngawakilan jeung merjoang -keun kapentingan rahayat. Paraanggota DPRD téh ukur menting -keun dirina sorangan. Beuki dieubeuki katangén yén DPRD téh lainrépréséntasi rahayat. Réa pisan paraanggota déwan anu teu sieun aduhareupan jeung rahayat. Atuhkumaha bisana rahayat ngedalkeunkereteg angen-angenna ka anggotadéwan nu teu wani nyanghareupanrahayat.

Tug padahal sawala téh kacidapisan pentingna. Sawala antara ra-hayat jeung para anggota déwan nuremen disarebut wakil rayat téa.Sawala antara rahayat jeungpa-maréntah enggoning ngaréngsékeunpasualan-pasualan nu di sanghareu -pan téa. Cacak upama perkara ku-jang anu dianggap badis péso gurkatéa disawalakeun heula, ngajakbadami ka para seniman budayawanBogor, pasti moal aya kajadiansamodél kitu. Ngan nya kitu, pemkotBogor mah meureun geus poho kanapentingna babasan “hadé ku omonggoréng ku omong”teh.***

DI KIWARI MACA BIHARI (31)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA

Péso Gurka

Manglé 246116

Page 18: Mangle 2461
Page 19: Mangle 2461

Manglé 246118

CCarita Pondok

*) BOIM, 21 TAUN.PENGAMEN

“Poék..peuting beukipoékkk …peteng..

mongkléng.. langit beukimongklénggg..

Bulan… musnaaa!!Manusa.. tibraaaa!!

Béntaaaang.. Nyumputdina mega..

Rondaaaa..Peré ngajaga..”

Tah kitu, jampé-jampénamah. Inget kénéh. Da enyaatuh. Kapan uing gé aya, basaharita Adang ngadadarkeunrencanana ka Bani. Bani tata -ngga Adang. Manéhna geusahli deui dina widang maling.Cék Bani kudu maca jampé étaheula méméh maling téh su-paya aman. Tuh tingali, Banigé hasil waé. Radio, DVD, HP

tug nepi ka TV LCD gékararad ku Bani. Tah mun rékmaling mah di dinya weh, dikomplek peuntas. Cék Bani didinya mah babari. Satpamnaaki-aki nu sakapeung tarangaronda.

***Liwat lima menit uing di

dieu. Nangtung gigireun tém-bok nu jangkungna dua

kalieun awak uing. Tikorokarasa garing. Késang ngucur.Ngadégdég kana keteg Jajan-tung nu beuki ratug. Haté taw-igur. Pikiran ngacacangmoréjengga antara sieun jeungkahayang. Ras inget si Bapanu keur gering parna. Ras deuiinget ka si Icih nu hayangeundikawin geura-geura. Kudukumaha deui atuh Boim téhBapa? Icih?

Geus kagok. Akang geuskagok di dieu. Tinggal saba -baraha léngkah deui. Baé dateu hésé Icih. Tugas Akangmah ngan ukur ngadagoan.Bari ngajaga kaayaan sakuri -ling ieu imah. Enya icih, lereskitu. Bisi aya nu ngaliwat. Bisiaya nu nempoeun. Komo sat-pam mah Icih. Ulah aya. Ulahnyahoeun. Tah Icih gé meu-nang tugas ti Akang. TugasIcih mah ngado’a jeung singsabar wé. Do’akeun Akangméh hasil. Méh salamet.Urang kawin Icih. Urangkawin mun téa ieu hasil mah.Kapan éta nu ku Icih pika-hayang téh, lin? Mataknasabar nya Icih! Dagoan akang.Do’akeun.

Bapa. Sing kuat! Uingkedap deui nebus landongna,Pa. Mugia engké énggaldamang ari tos dilandongmah. Aamiin. Ari jagjag mahBapa tiasa maturan Uing kaKUA mun téa Uing jadi ka siIcih. Badé saha atuh mun lain

Bapa nu maturan? Ema tosteu aya dikieuna. Ari Uing pananak hiji-hijina. Sing kuat nya,Pa. Antosan.

“Maaaliiinnggggg…Maliii-innggg…”

Eta gorowok bijilna tiimah éta pisan. Reuwaskacida. Si Icih, si Bapa laleun-git. Kagareuwahkeun ku nu

Ngudag ka NarakaCarpon Rizky Prasasti Anwari

Page 20: Mangle 2461

19Manglé 2461

ngagorowok. Teu eureun-eu-reun. Hégak napas mirig ketugjajantung, ngabaruntakkeunpangeusi dada. Leuleus Icih.Awak laleuleus.

Lol si Adang di béh jurutembok. Uing nyampeurkeun,mantuan turun. “Buru Dang!Buru!” sora jeung awak uingsarwa ngeleter.

Si Adang nincak tatakuing. Jleng wé.

“Bukkk!” Adang ngababukpuhu ceuli. Les poék. Peutingbeuki poék. Langit beukimongkléng. Uing ngagoler.

“Ieu.. katewakkk.. Maling -na katewakkk..” gorowokAdang dituturkeun ku soraléngkah-léngkah jalmaluhureun hulu. Beuki lila beukiriab.

“Siksa wé siksa tumanlah!”

“Taranjangan!”“Talian, tah talian!”“Podaran sakalian! Duruk

wé duruk!”Sora jalma sakomplék teu

eureun meupeus peuting.Sababaraha jalma najongan,ngaleyekan. Dihudangkeun,dijenggut. Diteunggeulan. Di-hudangkeun, dikekenyang. Di-teunggeulan deui. Nu séjénnanénggoran batu kana sirah.Kana angen. Nyeri Icih. Nyeri.Jalma beuki lila beuki loba.Uing teu walakaya. Biwir hésényarita.

“Bukkk!!!” Poék. Jol Si Bapa nga-

heruk.“Bukkkk!!!” Mongkléng. Jol Icih

ngagukguk. “Bukk.. bukkk..!!”Dunya sarwa hideung.

*) ADANG, 23 TAUN.DAGANG ASONGAN

Uing ngaléngkah teuleumpang. Kebat teu keupat.Muru si Boim nu keur dika -kaya ku warga. Beungeut siBoim ngagurilap. Getih numulas beungeutna mencar-keun cahya bulan purnama.Dina pipina narapel keusikjeung karikil. Bajuna leupas,Saroéh. Si boim ngalempréh.

“Hampura Im. Ham-pura..” cék Uing bari leos.

Sora-sora éta teu eureuntinggorowok. Duruk! Paéhan!Taranjangan! Nu séjén beukimaceuh. Nu ukur lalajo miluriweuh. Ibu-ibu narutupanbiwir. Barudak narutupanpanon.

***

Geus liwat ti saminggu,Uing nyerahkeun diri ka kan-tor pulisi. Uing teu kuatdikukuntit ku rasa salah. Al-marhum si Boim, maot disiksawarga alatan kalakuan uing.Uing ngaku yén uing nu ma -ling harita, lain si Boim. SiBoim mah ngan ukur pip-ilueun. Uing nu mawa, Uingngajak. Milu gé alatan hayohdiolo.

Uing gé nyaho si Boim bu-tuheun duit gedé. Keur meuliubar Bapana. Na rék meunangti mana atuh Im? Bati ngaménmah teu sapira. Moal kabeulikana ubar-ubar acan. Katam-bah si Icih kapan hayangeundikawin lin? Rék néang gawédi mana? Ijazah gé kapan teuboga. Boro-boro baheula uingjeung manéhna bisa sakola.Dahar gé sakapeung biheungmanggih. Enya. Sakola mananu daék narima uing jeungmanéhna harita. Nya saha jal-mana nu rék haat nanggungbiayana? Kapala Désa? Wa-likota? Bupati? Presiden? Taiucing lah.

Manéhna kungsi nolakharita, tapi uing keukeuh ma-maksa. Pamajikan uing si Tinarék ngajuru. Kapan biaya nga-juru téh teu murah. Rumah-sakit mana nu daékeungaratis? Kapan si Boim gé nya-hoeun, bapana teu bisa asuprumahsakit lantaran jalma teuboga. Naha enya Boim tégakitu ningali pamajikan uingngajuru di imah? Nya sahaatuh nu rék mantuan ngaju-runa? Leuheung mun bisa.Mun teu kaluar-kaluarkumaha? Mun pendarahankumaha? Mun pamajikan uingmaot kumaha? Orok uingmaot kumaha? Antukna siBoim daékeun. Puguh atuh.Sobat ti leuleutik. Moal enyaari teu daékeun mantuan mah.

Sugan téa ku nyerahkeun

diri ka pulisi téh bakaltingtrim. Da henteu atuh. Pa-sualan teu eureun semet dieu.Dina sidang, uing ngan meu-nang vonis hukuman panjaraopat taun. Teu sarua jeung nudipakahayang.

Uing sababaraha kaliménta hukum mati . Tapihakim teu mikeun waé. Daenya atuh, hirup gé taya gu-nana. Ayeuna sakabéh nu dilembur pasti rujiteun ka uing.Si Bapa, si Icih, komo si Tinamah. Ka mana atuh engkéuing mun geus bebas ti pan-jara? Saban peuting uing teubisa saré. Bijil si Boim. SiBapa. Si Icih. Si Tina. Rumah-sakit. Sakola jeung biaya.Gusti.. naha uing bet kieulalakonna?

***Opat taun nu ngembat

jeung karasa beurat geus liwat.Uing Tobat. Uing rajin Solat.Tapi ieu lain rék nyaritakeunlalakon uing. Heueuh. Si Bapa.Bapana si Boim.

Sanggeus kaluar ti panjara,Uing manggih kahirupan nuanyar. Purah jaga masigit. SiTina? Pamajikan? Teuing dimana. Panungtungan panggihtéh pas uing dipanjara wé,manéhna datang mawa orokuing jeung salakina nu anyar.Keun baé!

Uing jadi purah ngajagaanmasigit. Tapi geuning hirupséhat nu teu karasa ni’mat.Saban poé; saban isuk, sabansoré, saban peuting uing ditu-tur-tutur ku bapana si Boim.Ka mana baé. Ti masigit kakebon. Ti kebon ka pasar.Bapa si Boim aya. Najan radaanggang. Béh ditu tuh. Peun-taseun Uing. Teu, teu daékkukumaha. Ukur nangtungbari mencrong ka Uing.Panonna beureum, hurung.Enya, Uing nyaho. Manéhnakanyenyerian. Puguh atuh,budak sasiki-sikina maot ala-tan uing. Uing hayang méntapangampura. Tapi rékkumaha? Manéhna siga nuembungeun nyarita. Unggalrék disampeurkeun, manéhnaleos, duka ka mana. Kitu jeungkitu saban poé. Nepi ka peu -

ting ieu. Uing di dieu. Di sisijandéla. Bapana si Boim diditu. Katempo tina jandéla, Dihareupeun masigit.

Mun kieu waé mah, Uingmoal tingtrim. Uing kudunganggeuskeun ieu lalakon.Uing teu kuat. Teu kuat tuluy-tuluyan diuudag ku rasa salah.Tuluy diuudag ku bapana siBoim. Enya. Mending paéh.Eta sigana kahayang bapa siBoim téh. Uing Paéh! Moalheueuh atuh ari uing paéhmah manéhna nunutur kénéhwaé mah. Kapan punah munuing paéh gé. Tapi.. kumahamun manéhna engké paéh?Atuh panggih deui di sawargatéh. Jaba meureum moal ayamanéhna wungkul, si Boim,almarhum. Lah! Angger moaltingtrim hirup uing. Leng.Nempo kaluar tina jandéla.Jentul deui.

Uing kudu ka naraka!Kapan enya, saha nu hayangka naraka? Euweuh! Kabéh gépaheula-heula hayang kasawarga. Kitu deui bapana siBoim. Hayangeun ka sawargamoal henteu.

Rét ka jandéla. Bapa siBoim masih kénéh ngabedega.Uing neueulkeun tungtungpéso ka beheung sorangan.Bapa si Boim katingaligogodeg.

“Sreeeeet!” Uing mesét be-heung sorangan. Tingbelesatbeungeut si Tina seuri. SiBoim seuri. Si Icih seuri.

“Puas Pa? Puas? Yeuh sak-sian Uing paéh. Ieu nu kuBapa dipikahayang téh lin?Punah Pa, Punah. Geus tongnunutur waé. Hampura uing,Pa! hampura..”

Cék Haji Asép, nu pasti kanaraka jeung moal ditarima disawarga mah nyaéta jalma nubunuh diri.

Saméméh dunya poékmongkléng. Uing nempo BapaBoim milu mesét beuheungnasorangan bari tuluy seuri.Reup Poék.****

*) Rizky Prasasti AnwariMahasiswa UPI BandungJurusan Pendidikan Ba-hasa Daerah

Page 21: Mangle 2461

Manglé 246120

CCarita Pondok

ngaleungitkeun hanaang jeung rénghapanu ngahégak.

Reureuh di Tanjakan Panjang saenyanagenah. Legana jalan Tanjakan Panjang kaa-sup rubak keur ukuran jalan kampung,méh opat méter. Tilu taun kaliwat, basaharénghéng pemilihan bupati, sapanjangTanjakan Panjang diaspal. Sisi beulahkatuhu diwatesan ku tatangkalan galedé.Dapuran awi, séngon, surian, alpuket, dipunclutna aya tangkal bungur nu ngarung-gunuk ngabedega lir danawa. Urang kam-pung di sabudeureun Tanjakan Panjangnyieun bangku-bangku pangreureuhantina awi. Sisi béh kénca mah pakebonan.Hui jeung sampeu ditumpangsarikeun. Dikampung kuring hui taya usumna, da ung-gal waktu pakebonan téh dipelakan hui.Enya ogé halodo entak-entakan, hih da ka-jeun masang paralon ti sirah cai di gunung.

Kembang HuiCarpon Yus R. Ismail

Tempat nu kajojo di kampung kuringnyaéta Tanjakan Panjang. Jalansapanjang méh sakilo méter téhnetek, henteu diselang ku datarsaeutik ogé. Tong boro anu badarat,dalah rombongan sepéda-gunung

anu biasana Saptu-Minggu ngajajal kamampuhna,tara aya anu kuateun bangblas. Pasti waé diselangku reureuh sababaraha menit mah. Maranéhnamurak bebekelanana, atawa sakadar nginum

Page 22: Mangle 2461

21Manglé 2461

Kampung kuring, Ciwe -ning, aya di tutugan gunungBésér. Hujan méh turunsaban waktu. Enya ogéhalodo entak-entakan,sababaraha poé mah sok ayagirimis. Lantaran kitu meu -reun Ciwening téh karasanajadi kampung anu ngungun.Isuk-isuk pepedut nyaputpakebonan, nyéos panonpoéanu kakara karasa haneutdina kulit karijut katirisan.Pasosoré panonpoé gancangsurup sanggeus tunggang gu-nung. Enya, lamun girimismépés poé, rasa ngungun téhlir anu napel dina pameunteuCiwening.

Ah, meureun saukur pa -ngrasa kuring wungkul.Rarasaan kuring basa hiji isukngaliwat ka Tanjakan Pan-jang, dianteur ku bapa. Ku -ring ngagandong rangseljeung ngajingjing kantongplastik, bapa munggu karungeusi hui. Bapa nganteur ku -ring ka sisi jalan raya, megatmobil anu ka stasion karétaapi, karéta api anu bakalmawa kuring ka Bandung.

Di tempat pangreureu -reuhan kuring eureun. Lain,lain capé, da biasana ogé ariturun mah tara reureuh. Tapilantaran patani geus nyaram-pak di pakebonan. Puguhareuy hui geus waktuna diba-likeun. Kembang hui cul-celwarna wungu, matak waas.Barudak satepak lalumpatanbasa nempo kuring.

“Téh Nining, badé kamana, Téh?” cenah radacadél, pating gorowok. “Ilahauihna? Nyandak oléh-oléh,nya? Buku dongéng deui nya,dongéng anu lamé.”

Kuring unggeuk. Barudaktéh nyalampeurkeun, hara -yang ditangkeup kabéh.

“Mugia hasil, Néng. Ibimah mung tiasa ngadoa,”ceuk Bi Inem ngawakilan anuséjén. Bi Karti, Ceu Mumun,Kang Rukman, Mang Êma,unggeuk basa kuring sasala-man amitan. Saréréa ogéngabaretem, semu anubareurateun keur ngomong.Sarua jeung kuring. Lamun

pok téh sieun lain girimis anuturun, tapi cimata anu henteukatadah.

Harita kuring ning-galkeun Ciwening anu hale-ungheum, lir haleungheumnahaté kuring. Ngan kembanghui, kembang hui warnawungu, anu cul-cel saamparpakebonan, anu ngabeberahhaté. Enya, hégar téh,sumanget téh, éndah téh,masih aya, narapel dina kem-bang hui.

***Tutugan gunung Bésér lir

anu disupata ku alam anuéndah. Sirah cai patingburialdi ditu di dieu. Pancuran cur-cor, caina ngagenclanghérang. Ngaran gunung Bésérogé apan lantaran éta. Suburku cinyusu. Hawana seger.Alam éndah matak betah anunatamu. Keur leutik kuringngarasa alam éndah téhberekah. Ulin di Ciwening asataya bosenna. Moro manukpuyuh, sosorodotan makéupih jambé, papanganténananu panganténna dirias kuuntunan kembang hui jeungkembang jukut, ngojay di wa-hangan anu enya ogé leutikcaina hérang ngagenclang,nguseup beunteur atawanyair hurang, jeung loba deuikaulinan séjénna.

Tapi sabada sakola dikota, salila genep taun, SMPnepi ka SMK, kuring ngarasakaéndahan jeung suburna gu-nung Bésér téh supata. Kebonhui, sampeu, jukut gagajahan,enya masih lega. Tapirarasaan téh suku henteubébas ngaléngkah, henteubébas cara keur budak. Kaditu-ka dieu asa beuki réatanah-tanah anu dipatok, di-pager kawat atawa ditémbok.Tanah-tanah éta téh geusdibeuli ku urang Jakarta,Bandung, atawa kota séjénna.Tanah anu baheula mah har-gana ngan tilu ratus rébusabatana, dina waktu geneptaun jadi dua juta sabatana.

Loba patani anu tadinapepelakan di tanah sorangan,terusna mah jadi purah melakwungkul. Duit ladang jujual -

anana dipaké ngongkosanbudak-incu gawé ka kotaatawa ka mancanagara. Kuurang kota, tanah anu geusdibeuli téa aya anu dijieuntempat wisata; penginapan,outbond, playing fox, kolamrenang, pemancingan. Tanahanu aya sirah cai gedé dijieunperusahaan air-mineral.

Sababaraha urang lemburjaradi pagawé di tempatwisata jeung perusahaan air-mineral téa, pangpangnabarudak. Tapi karéréananamah, sanggeus lulus SD téh,barudak terus ka kebon nga-bantuan kolot-kolotna. Bosenpepelakan, terus naréanggawé ka kota atawa ka man-canagara. Keur ongkos kakota jeung ka mancanagaraéta lolobana tanah dijual.

Kuring budak Ciweninganu kagunturan milik bisasakola nepi ka SMK. Ceukkuring, supata téh mimitinatina kabodoan. Mataknasanggeus mulang deui ka Ci-wening, kuring ngadegkeunsakola Taman Kanak-kanak,ngajar maca-nulis patani anubuta huruf, ngumpulkeunibu-ibu pikeun diajar nyieunkiripik, keremes, dodol, jeungngawadahanana anu leuwihberesih jeung rapih, pikeunngamangpaatkeun sésa kebonanu salila ieu loba kapiceun.Kuring biasa lar-sup ka kan-tor désa, instansi pamaréntahdi kabupatén, kantor LSM,atawa ngamangpaatkeunrombongan mahasiswa anukeur kerja lapangan.

Tangtu waé kuring henteusosoranganan. Babaturan diCiwening, pangpangna anusakolana rada luhur, ngaro-jong kana gawé kuring. Uta-mana mah pangrojong tiKang Dadang, ketua KarangTaruna, anu sakolana bisanepi ka perguruan tinggi, anuti keur kuring di SMK kénéhjadi bébéné haté pangbeberahmanah. Kang Dadang téh pu-trana kepala désa manten.Kebonna lega, sawahna lega,

balongna réa, pabrik hélerwaé di sababaraha tempat.Rarasaan mah asa henteukungsi capé matéakeunpangabisa ngabantu urang Ci-wening sangkan hirupnaleuwih hurip. Resep jeungbagja waé anu aya. Komobasa hiji peuting, bada Ma-grib, kulawarga Kang Dadangnamu ka imah, ngalamar ku -ring. Bapa, ema, amang, uwa,dulur-dulur anu séjén jeungtatangga mani nararangkeupka kuring, ngilu bagja jeunggumbira.

Tapi acan ogé sabulansabada ngalamar, kulawar-gana Kang Dadang ngutustatanggana pikeun ngabo-laykeun tunangan. Apa, ema,amang, uwa, dulur-dulur anuséjén jeung tatangga anu geustatahar pikeun hajat, tangtuwaé hanjelu. Komo kuringanu boga lalakonna. Utusankulawarga Kang Dadang hen-teu ngadadarkeun naonalesan ana bet megatkeunsimpay papacangan. Duaminggu ti harita KangDadang diwisuda, saminggutas diwisuda aya béja KangDadang tunangan jeungbudak pengusaha air mineral.Cenah ceuk gosip, kolotnaKang Dadang ka sasahanyarita; kitu pantesna, anubeunghar mah ngajodonakudu ka anu beunghar deui.Sedeng kuring apan sakieukaayaanana, sakola nepi kaSMK ogé maksakeun bakatku hayang. Cenah ogé, bulanhareup pengusaha air mineraltéh rék hajat gegedéan, ta -tang gapanana ogé sagala aya,ngawinkeun budakna kaKang Dadang.

Kitu mimitina, nepi kahiji peuting kuring nyuuhdina lahunan ema, bari poknepikeun niat anu henteukabayangkeun saméméhna.“Nining hoyong daptar TKI,Ma, ka luar negri. SapertosTéh Isoh, Téh Marni, TéhDédéh, Kang Darman,” ceukkuring. Ema, ogé Apa anu

NNyambung ka kaca 38

Page 23: Mangle 2461

Manglé 246122

CCarita Pondok

SMS ti lembur. Dulur ngabejaan,Hayati maot tadi subuh. Hatengaleketey. Lalaunan ngucapkeunistirja “Innalillahi wa inna ilaihiroji’un”.Dituluykeun ku nga -du’akeun sangkan almar humah

ditarima iman,Islam jeung amal solehna,di-hampura dosa-dosana. Allohumaghfirlahawarhamha wa afihu wa’fuanha wa akrim nuzu-laha.

Meneran keur hujan ngaririncik Hayatimaot teh.Hujan pabaru. Kawas nu ngahirup-keun manginget ka mangsa lima puluh limataun ka tukang. Pan mimiti boga rasa sejen kaHayati teh, harita keur usum hujan pabaru.Geus lawas kabina-bina. Tapi bet ngadadak asacikeneh pisan.

Keur budak mah, usum hujan teuing kuresep. Lantaran sagala tutuwuhan jaradi sora -ngan. Pangpangna suung. Lamun peuting ka-mari hujan, isukna henteu, heg rabeng siraru.Ĕta pertanda suung bakal ngaleuya di kebon, dipipir imah, atawa di mana baé nu sakiranyangkewok rada hieum. Patempatan nu pika-betaheun rinyuh. Sabab cenah, ceuk dongéng,suung, siraru jeung rinyuh teh masih kénéhsakaruhun. Siraru bijil tina sayang rinyuh.Suung jadi dina taneuh riduh nu sok disorangku rinyuh.

Usum hujan disebut pabaru. Pabaru wa-landa jeung pabaru cina. Pabaru Walandaleuwih ti heula. Bulan Désémber jeung Januari.Hujan ngecrek. Disambung ku pabaru Cina,bulan Pebruari. Hujan miripis dibarung kuangin. Aya angin ngagelebug. Aya anginleuleuy. Hayati

Ku Usép Romli HM

Page 24: Mangle 2461

23Manglé 2461

Angin leuleuy ieu pertandabakal réa suung.

Sabot ngaji di masjid, dica -ang an ku lampu téplok, brul si -raru areunteup kana semprong.Sawaréh rapluk maruragan.Sawareh tingkarayap. Caroplokjangjang. Budak nu geus radahideng jeung ludeungan mah,sok nyusud tempat bijilna si -raru. Biasana tina taneuh nuhieum ku tatangkalan. Bangsadapuran honjé atawa konéng.Heg dicirian. Isukna, subuh-subuh ditéang. Di dinya geusnyampak suung badag. Suungbulan atawa suung kotok. Ayaogé suung rampak nu mayakaya puluhna.

Nu teu boga ceungceumanmah, isuk-isuk ngasruk kakebon. Tumpa-tempo kanasakur dapuran tatangkalan. Ayameneran. Aya lapur. Tapi tarapoos-poos teuing. Sakalieundeung eun sangu sasarapméméh indit sakola mah, sokaya waé.Ditumis garing. Dipakémarengan sangu sangray.

Di tempat néangan suung,mimiti gok béda rasa ka Hayatitéh. Padahal wawuh ti barétoogé. Salembur. Sasakola. Nganbéda dua kelas sahandapeun.Manéhna kelas opat.

Keur mapay dapuran honjétonggoheun imah, nempoansuung. Manggih dua. Gancangdiala. Sabot dongko, kadéngéaya nu ngeteyep tukangeun.Hég ngagebah :

“Hoyah !”cenah. Dilieuk,Hayati. Ngélék ayakan dieusisuung paré sababaraha siki.Buukna diuntun dua. Makébaju daster rada gombrang,rada kuleuheu. Lungsuran tilanceukna, kawasna.

Barang apaleun lainMaman, babaturanana sakelas,Hayati ngagoak. Beungeutnanyiak beureum.

“Aduh sugan téh Maman....”leungeun kencana nungkupbaham.

“Ari pék lain Maman....”ditémbalan semu digonjak.

“Aduuh, hampura...”soranangadarégdég.Reuwas jeung érameureun.

“Moal, moal dihampura...lamun teu digebah deui,”bethayang tuluy ngaheureuyan.

“Ah, Cécép mah....”leungeun -na ngutek-ngutek sisi ayakan.Ramo sukuna nu ramiping ku

taneuh, diutek-utek deuih.“Hutang gebah, kudu bayar

gebah. Daék ?”“Ah, Cécép mah....hampura

wé abi. Sugan téh Maman....”Ujug-ujug rey aya perasaan

séjén. Satengahing jemplingnasuasana kebon isuk-isuk. Radapoék ku pepedut. Nepi kamanuk oge tacan kadéngérécét. Nenjo beungeut Hayatibet asa geulis. Atawa memanggeulis budak téh kitu? Dasapopoé panggih di sakola asabiasa-biasa baé. Sarua jeungbatur-batur sakelasna : Ami-nah, Utik, Samroh, jeung saja-bana nu sok kapanggih reureujeungan.

“Gantian wé ku suung, buruhdigebah téh,”diheureuyan deui.

“Tuh, karék aya suung parélima siki.Cécép onaman geusmeunang suung bulan,”tém-balna rada teteg.

“Hayu ka béh tonggoh suganmeunang suung rampak. Munpanggih Hayati, kadieukeunpaké naur digebah tadi.”

Taktakna ngaranjug tandateu panuju. Tapi karérét biwir -na ngerendu. Nahan lucu.

Tuluy patutur-tutur, hanjatkana séngkédan. Nyuay-nyuaypelak wijén nu geus gomplokdaunan.

“Dok suung bulan ! Nu abi,nu abi, dok”Hayati ngagéréwék.Ngagajleng ka lebah rungkunsaliara. Ĕnya wae aya suungbulan dua.Sagedé-gedé piring.Tadi mah ngarérét ka dinya, teunempo nanaon.

“Kop milik Hayati, suungbulan dua. Ngan kudu dipakénaur hutang digebah téa.”

Manéhna ngukey ngalisuung. Geus beunang duanana,sok kana ayakan.

“Ké wé ari manggih suungkotok mayar hutang ngagebahmah,”Hayati ngadilak.” Tuhdina hunyudan runtah béh ditusok aya suung kotok, geura.”

Ditéang euweuh nanaon.Barang kadéngé saeran disa -

da detciprut, ngadadak ingetkudu geus balik. Kudu gesat-gesut mandi jeung dangdan kasakola.

“Bisi kabeurangan sakola ah!”gancang mudun. Hayati nu-turkeun ti tukang.

Di jalan désa, misah. Méméhngaléos ka beulah kulon, Hayatinyarita laun :

“Hampura, nya Cécép. Aayngagebah tadi,sugan téhMaman pédah sarua kaos be-lang...”

“Dihampura asal mayar kusuung,”diheureuyan deui. Barirada nyeblak ngadéngémanéhna nyebut ngaran “Aay”.Asa beda karasana jeung “Ha -yati”. Atawa “Yati” upamana.

“Enya engké ku suung kotok.Suung bulan mah pesenanAceuk, keur nyiram nya !”Ha -yati kerendu deui imut .Neu-teup sakedapan. Luk tungkul.Tuluy malik.Mangprét lumpatka imahna di béh kulon.

Sasarap rusuh. Tumis suungbet teu mirasa. Pangpangna asakaséréd ku golak haté. Hayanggeura miang ka sakola. Hayangmelong Hayati.

Sapoe éta diajar teu patibener. Pipikiran ngalayang kakebon, kana suung teanganeun,ka Hayati nu ngagebah. KaHayati nu kaéraan. Ka Hayatinu daékeun diheureuyan kudumayar hutang ku suung. Nepika jangji rék mayar ku suungkotok.

Ieu nu disebut cinta mung-garan téh? Cinta budak nudadak-dadakan?

Basa rék asup kakelas,panon ngulincer ka kelasopat. Néangan Hayati. Aya tuhkeur baris, tukangeun Aminah.Dipelong rada lila. Tapi teungalieuk. Jongjon we tungkuldina barisan. Basa istirahat, di-papay ka tempat barudak awé -wé békles di lulurung deu keutgudang, teu katempo. Témpobalik, dikulincer deui teu ka-panggih. Naha ka mana?

Meunang béja isukna. Ti Iti,batur sabangkuna. Cenah, Ha -yati jam sapuluh balik.Ngadadak rieut jeung panastiris. Paingan tadi rebun-rebun, teu kapanggih néangansuung ka kebon. Boro rékditagih suung kotok téa. Atuhnéangan suung gé teu husunyo rangan mah. Henteu su ma -nget pédah euweuh Hayati.Padahal saméméh aya ngage-bah ogé, néangan suung téh soksorangan. Malah embung ayabatur. Sieun kasoro milik.Sieun panon batur leuwih awas.Kawas Hayati mangkukna,

manggih suung bulan sadua-dua dina tempat nu kungsidipelongan.

Kawasna Hayati kateteru-san geringna. Diitung-itung,geus saminggu leuwih teu asup.Geus saminggu leuwih teu pa-panggih di kebon, néangansuung.

Malah terus sabulan am-bleng. Na ka mana? Rék malu-ruh, maluruh ka saha?Ĕra sieunpajar itu pajar ieu. Padahalenya asa kaleungitan. Pundungkitu pédah dikudukeun mayardosa ngagebah ku suung kotok.

Pabaru geus arék béak.Suung gé réngrép. Geus taraaya nu ka kebon rebun-rebun.Tapi hujan mah aya kénéh. Se-lang-seling. Hujan dangdang -rat. Mun geus raat pisan,biasana maju ka usum haha-jatan.

Harita geus aya haneut-ha-neut béja nu rék hajat. MangMirta, urang kulon rékngawinkeun. Ngawinkeunsaha? Da sakaterang, anak-anakna nu awéwé geus karawinkabéh. Kari Hayati, nu masihkénéh kelas opat sakola rayat.

Piraku Hayati rék dikawin -keun onaman.

“Enya,Hayati rék kawin,minggu hareup,”ceuk Aminah,baturna téa nu ngahaja ditanyaka mana ka manana Hayati tarasakola.

“Kutan?”reuwas poharangadéngé béja kitu téh.

“Enya ka tukang dombaurang Ciuyah.”

“Mang Dirman?”lahlahanneguh. Sabab sakanyaho nu sokjual-beuli domba urang Ciuyahmah, Dirman. Nu beungeutnarada garok tapak cacar. Geusboga anak pamajikan.

“Enya éta,”Aminah teu kebatngajawab.Kaburu ngabecir kakelasna, digeroan ku batur-baturna.

Handeueul kabina-bina.Karék gé wawuh, karék gé bogatéténjoan, ukur sakakalina. Lesmoal kapanggih deui. Dikawinbatur.Abong kalumrahan dilembur jaman harita. Awéwédikawinkeun barudak kénéh.

Teu tatanggapan nanaon,kawinna Hayati téh. Ukurngabagi idangan ka unggal

NNyambung ka kaca 34

Page 25: Mangle 2461

Ngahaja isukkénéh geusngalangeuhareupeunimah. Hawatiis dibatu-

ran angin ngahiliwir ti lan-deuhkeun. Nebak awak nutatadi ngadayagdag dinakorsi. Ngararasakeun hawa nunyelecep, nyulusup kana lulu-rung kalbu. Éndah kacida.Saparat panon nénjo kajauh -na, ukur pakebonan jeunggunung leutik nu mapaésankaéndahan alam. Jalan blungblong ka ditu ka dieu. Kacidapisan simpé, euweuh sorakandaraan anu nyababkeunpolusi sora jiga di kota. Anuaya ngan sora manuk jeungsabangsaning sasatoan anukacida matak genah tumani-nah kana haté. Ngupahan anusungkawa.

Matakna ngahaja reureuhdi dieu. Bumén-bumén ditempat anu kuring sorangancan wawuh. Ngahaja. Lian tihayang ngahirup hawa seger.Ogé aya nu lain, hayang ny-ingkahkeun lalangsé. Miceunrereged anu aya dina diri.Hayang muka lambaran hirupanyar di dieu. Di tempatanyar. Satutas kajadian harita.Kajadian anu kacida matakdown. Rendah diri jeungputus asa ngabaturan kuring.

Kajadian anu langsungnangkubkeun jeung meung-gaskeun sagala pangharepananu karék mucunghul, patingparentul mapaésan haté kukarir anu neut neutan alus.Jabatan alus sakeudeung deuibaris kacangking ku kuring.Jabatan anu salila ieu dipi-harep ku sakabéh pagawé diperusahaan tempat kuring.

Tapi ku kajadian anu tumiba.Kuring kudu nutupkeun haté,malah nepi ka resign ti peru -sahaan sagala. Bongan, enyabonganna atuh mamala beutnganjang na diri. Sakapeungmah aral kacida. Mendingannemahan pati daripada nan-dangan lara.

“Allohu Akbar.” kuringjumerit waktu awak ngudu -pruk labuh.

Gubrag! Panci anu dipaké naheur

cai murag, meneran pisankana leungeun katuhu anuneueul kana lanté. “Awww....”

Rabul tatangga anudeukeut. Pamajikan rawahriwih ningali kaayaan. Ayaanu ngabaluran leungeun kuminyak, aya ogé anu ku odol.Paciweuh. Sababaraha lilajadi pasén di rumah sakit.Ngubaran leungeun anukaléob. Tapi ning kitu, geustitis tulisna. Anu dipiharepsangkan normal, teu waluya. Leungeun katuhu jadi kom-pér, euweuh tanaga, sartawarnana hideung pabaurjeung bodas anu pating gare-blég totol-totol. Matakgeuleuh ningalina. Komolebah curuk mah. Iy, pastingabirigidig. Ningalitumpukan daging anu teumangrupa, jiih.

Kacilakaan anu nyabab -keun kuring tatu saumur-umur. Rujit. Sorangan geusngarasa kitu, komo meureunnu lain. Kitu anu jadi momotkuring saban waktu. Sanajanpamajikan salilana nyaritatetep nyaah, tetep narimakana naon rupa anu tumiba.Ngan kuring angger teu sadar.Ti harita jadi leuwih kasi -geung jeung gedé ambek. Teu

kaur aya omongan anu radateu merenah langsung nyen-tak. Kitu deui mun ngadéngéanu ngalelemu, ngagedékeunhaté teh lain atoh. Tapi beukiijid kanu ngomong asangaléléwa, asa ngahina.

Sakapeung sadar jeungmangkarunyakeun kanu jadipamajikan pareng disentak.Tapi nya kitu téa atuh kuringtéh sok asa geuleuh. Matakmending nyamunikeun diri diieu tempat anu hara-haraeun.Méh teu panggih jeungjelema loba. Tiis ceuli hérangpanon. Kapaksa meureun. Pa-majikan ngéléhan manéh nu-turkeun kuring pindah. Aribarudak mah angger waé dikota. Satia ka salaki, ngurusankuring anu keur karandapanaral. Tinimbang aya kajadiananu teu dipiharep. Mimita namah manéhna mugen sartangalelemu ka kuring sangkancicing, angger di tempat anubaheula.

“Naha tos diémutan,Kang?” cenah panonna mancoka kuring.

“Komo!” kuring teugeug,teu nempo saeutik ogé ka pa-majikan.

“Saur pangemut abdi mahmending di dieu heula atuh.Tong getas harupateun.Anggur sing tawakal. PanAkang gé di dieu keur diu ba -ran. Mudah-mudahan ayajodona. Bisa cageur carasasari.” Pamajikan ngalelemu.Leungeunna ngocékeun gelas.Song gelas di ka kuringkeun.“Leueut heula cai téh haneut,meh janglar.”

“Teundeun na méja.” Ku -ring teu miroséa.

“Kang.” Pamajikanngarahuh.

“Hem.”“Akang téh sing sabar.

Sakieu gé alhamdulillah ngansaukur panangan anu tatu.”

“Na di dinya ngaharep-keun kabéh awak kaléob caipanas kitu?”

“Astagfirulloh, Kang.Sanés kitu....”

“Heup... heup gandéng.Meunggeus tong loba caritadeui.” Panon kuring men-crong ka luhureun méja kerja.Map anu numpuk, buku-buku, kantong jingjing, ngin-getkeun kuring waktu digawé.

“Hapunten.” Manéhnacengkat.

“Nung...!” “Kumaha?” cenah ngaran-

deg, léngkahna kandeg.“Hampura akang,”

cekéng.“Teu sawios. Ngartos.”

Gék deui di gigireun.“Akang téh éra ku

kaayaan. Enung gé apalkumaha akang baheula. Jadiwayahna mun Enung nyaahka akang....” kuring neuteuppanonna nu liuh carinakdak.“Akang hayang pindah.Hayang ngumpi diri. Keunwaé cicing nyorangan gé, ariEnung teu daék mah.”

“Pami tos buleud mah,mangga. Keun abdi gé bakalnyarengan.” Sorana dareuda.

*Tempatna jauh ka ditu ka

dieu. Kabeneran aya rélasianu ngajual vila. Alhamdulil-lah, teu ditawar deui langsungdiduitan bakat ku atoh. Tem-pat anu ceuk batur hara-haraeun, pikasieuneun téh.Cek kuring mah betah kacida.Tempat anu saeutik saeutikmiceun bangbaluh, ny-ingraykeun lalangsé anu asa

Manglé 246124

PPuridingPuringkak

Nyingraykeun LalangseKu Nina Rahayu Nadéa

Page 26: Mangle 2461

ngukuntit diri.Unggal isuk ngalangeu

hareupeun imah. Jalan-jalanngarasakeun hawa anu segertumaninah kana awak,sumarambah kana bayah.Katunggaraan saeutik-saeutikkaubaran ku ningali kaayaanciptaning Gusti anu éndahkacida. Sanajan angger wé sokaya kasedih datang mun ingetkana kajadian.

“Gusti, naha anjeun masi-han sagala kasedih nu poha -ra.” Kuring nyusut cipanon kutonggong leungeun nu datangteu kaampeuh. Panon anggernyérangkeun sakuriling, rét kakénca rét ka katuhu.

Karék sidik, gening radajauh, beulah kalér aya jalanbadag molongpong. Di dinyaaya gapura badag warnaemas. Patingborélak katojosumirat. Gapura anu jadibatas hiji wewengkon.

Katangen di luhurna ayaaksara badag. Ngan teu patiécés, jeung teu kahartitulisanna, teuing batas daérahnaon. Tulisanan rada teujejeg, siga tulisan sundabuhun.

Awak asa lungsé, asa sedihpohara ningali gapura anu ayadi dinya. Gapura anu dipin -ding tihang beton kéncakatuhu. Beton mangrupa dualeungeun anu keur nadah,siga anu keur ngadoa ka man-tenNa.

Aya nu merebey ningaliéta dua leungeun anu keurranggah. Leungeuna anukatuhu ning euweuh ramoanu katingali. Ti pigeulangnepi ka ramo teu aya. Bun-tung.

Rét kana leungeun katuhukuring anu teu daya teuupaya. Tong boroning bisaranggah siga kitu. Anggurbeut asa ngaheurinan. Teubisa nanaon. Jadi hahalangpikeun ngalakuken kagiatan.Ngulapés, teu daya teu upaya.Sagala ngan saukur dilaku -keun ku leungeun kénca.

Rét deui kana leungeun

ranggah di luhur gapura.Katingali leungeunna bedas.Ngadoa unggal waktu. Jungnangtung lajag léjég. Ayaamarah anu datang teu dion-dang. Ambek ngurunyunginget kana papastén anukarandapan. Kabayang waéwaktu keur gandang.Sapopoé maké mobil. Datangka kantor pada ngahormat,pada ngajénan. Ari ayeuna?

“Na atuh manéh tehngadon ngulapés. Euweuhguna. Euweuh gadag. Asamendingan siga leungeun diluhur gapura. Sanajan bun-tung tapi geuning perkasakatingalina. Gagah.” Kuringngabeubeutkeun manéh kanakorsi. Ngépéskeun leungeunkatuhu satarikna.

“Aduuuh.” Kuring ngajerit

basa leungeun keuna pisankana armrest korsi. Nyuuhkana méja sababaraha lila.Ngarasakeun nyeri dina leu -ngeun.

Clak... clak.... Sora nungeclak écés kana ubin.Ngarérét sakeudeung ka lebahsora anu deukeut suku. Bariangger nyuuh. Gebeg. Ningaligetih anu anu aya dina ubinngabayabah. Beuki lobabareng jeung nu ngeclak tiluhur saeutik-saeutik. Tang-gah, euweuh nanaon. Paneu-teup balik deui kana ubin,nuturkeun getih, ti manaasalna. Rét kana leungeunanu beuki nyanyautan.

“Gusti!” kuring ngajeritningali leungeun kuring nubuntung. “Nung... Enung...!”Kuring ngagero pamajikan

bakat ku reuwas. Antara sadarjeung heunteu aya nu nyoaratan katingali. “Sukur geusmikeun éta leungeun ka ku -ring. Dasar jalma mere ke -deweng. Salilana ngagugulungaral!”

Sorana ti béh kalér....lebah gapura. Rét ka gapura.Rét ka luhur gapura. Ningalileungeun anu ranggah téa. Ca-cadna leungit baganti dua leu -ngeun anu sampurna. Lengteu inget di bumi alam.***

Nina Rahayu Nadéa.Lahir di Kota Garut 28 Agus-tus. Nulis dina bahasa Sundajeung bahasa Indonésia.Tulisan séjénna nu geusdimuat bisa dipaluruh diwww.ninarahayunadea.blogspot.com

25Manglé 2461

Page 27: Mangle 2461

CCarita Heubeul

Sakumaha anugeus dicarita -keun dinangamimitian ieubuku parantéan-parantéan di bui

Surabaya téh réa anu kabitaku hirup munding, saking kusangsara hirup di narakadunya. Sok sumawonna anutuman hirup ngeunan atawanu tara biasa hésé-capé, dalahanu tadina tuman sapopoénaktak-mundak, kapentrang-kapanasan ogé, batan jadiparantéan Surabaya mahleuwih atoh lamun dibérépondok umur. Ana ninggangdi Aom Usman, henteu tuturnyuhun nanggung, teu biasanaktak-mundak, ayeuna hirupsahandapeun kuda umbal,leumpang gé kudu bari nga-jingjing ranté nu dipakéngababandulan suku, héés-mandi, kiih-ngising teu lésot;kuda umbal onaman ari héésatawa ngencar mah sok lugi -na. Atuh kaharti lamunUsman atawa parantéan nulianna, leuwih atoh upama di-

gantung atawa dibedil téh,batan kudu hirup-sato 20taun mah. Eta gé biheung!

Ari Kusén, sajungnaUsman ti hareupeunana téh,sajongjonan mah ngahuleng,baé, pipikiran asa ngadadakcus-cos réa kaéling, malahsaenyana ka Nyi Rapiah ogélain teu ingeteun, tadi geussapok-pokeun rék nanyakeun,tapi kapikir moal pihadéeun,matak ngahudangkeunmaung héés baé jeung jiga numupuas ka Usman.

Lamun seug Kuséngugon-tuhon kana tahayuljeung bid’ah moal boa percayakana omongan sawaréh jalma,yén pamajikan atawa awéwéteh boga pariwatek jeungparibawa ka salakina. Ayaawéwé anu watekna mawamujur jeung darajat, ayaawéwé nu paribawana sialjeung cilaka ka salakina, caraNyi Rapiah, boga salaki duakali, duanana salakina jadiparantéan baé. Naha beneréta téh perbawa awak jeungwisit Nyi Rapiah? Wallahu

Alam.Geus rada lila, jung Kusén

nangtung, nitah upasnyalukan pulisi ti Bandung nunganteurkeun Usman. Haritaéta panganteur téh –tiluan—keur ngadago di hopak(hoofdwacht), sakumaha bi-asana para pangteur ti jauhna,méméh aya surat paréntahsaméméh balik mah, patalijeung aya-euweuhna kapalatawa parahu nu indit tiSurabaya, sok ngarendongnadi hopak téa, campur jeungtukang jaga lianna.

Ari jol pulisi nu tiluan tiBandung téh, bet tiluananawawuh ka Ujang Kusén, SiDatab Si Kemod jeung SiAcing, batur langlayangankeur leutik. Atuh jelemaopatan téh sirikna teu silihrangkul, Kusén seuri baricimataan nahan kagagas. Ju-rutulis Cokro olohok.

Geus rada leler, tilu pulisitéh narangtung ngariungméja, Kusén diuk tuluy ngu-ruskeun surat-surat dinesbawaeun éta tilu panganteur,aya nu kudu ditanda heula kujaksa aya katerangan geusansakaut, geusan sabandar (ka-pala palabuhan), jeung jaba tiéta. Geus anggeus, ceukKusén: “Tah euy, kari

ngadagoan ditanda ku sipir,dagoan baé heula. Kabeneransarilaing teu kungsi lila didieu, pagéto aya parahu Bugisarék ka Pasar Ikan, sarilaingmilu nepi ka Cirebon. Aridéwék, berekah, kari salapanpoé deui di naraka téh. Ayeu -na poé naon, tah Rebo, jadiKemis hareup déwék kaluartéh. Kabeneran Jumaahna ayakapal marineu rék ka Tan-jung-Pariuk, ceuk sipir déwékmeunang dibawa ku kapal étaasal daék mantuan ngumbahdék. Saptu isuk-isuk meureungeus bisa hanjat di Cirebon.Béjaaan Bapa jeung Emajeung Si Arsali. Déwék hayangdipapag ku per kitu ka Cire-bon, ambéh Salasa pabeubeu-rang geus aya di Bandung.”

Keur kitu sipir abus di -iring ku Hatebessy. Ari rétAcing ka sipir, ari gero téh:“Ya Allah, geuning AnomJacob. Kutan Anom téh didieu?”

Sipir mureleng sakeu -deung, pok ngomong bariseuri, ngomong basa Sundanu béntés téa, kumaonamanom Bandung: “Euleuh-eu-leuh ieu Si Acing?”

“Sumuhun Anom, anakbabu Inah téa, apan Anom téhti jaman sinyoh kénéh dugi ka

{ 30 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 246126

Page 28: Mangle 2461

kagungan nyonya teras ngalih,dibabuan ku pun biang; abdimah harita alit kénéh,” jawabAcing bangun conggah.

Sipir anu ka parantéansakitu galakna téh bet ka anakjururawatna mah daék ocon:“Alit-alit matasia, aya alit geusbisa malingan surutu déwék,hah, hah, hah, hah, kumahaEma Inah cageur? Hirupkénéh Ma Inah téh?”

Teu dicatur panjangnagunem warta. Tilu pulisi tiBandung téh mareutingna géhenteu di hopak cara pangan-teur lianna, tapi di imah sipirda sipir sono ka Acing. Ba-likna Acing téh rebo ku pama-hanan Anom Jacob geusanbabu Inah, jaba duit, Acingpribadi lungsuran-lungsuranbaé mah teu luput jaba keurjajan.

Dina arék jung indit,nepungan heula Kusén anusakali deui talatah hayang di-papag ku per di Cirebon; poéSaptu isuk-isuk téh hayanggeus nyampak, megat deukeutkantor jaksa baé, ambéh teuhésé, sabab nékenkeun heulasurat-surat ka dinya.***

11Poé Salasa ninggang hajat

Mulud, imah Haji Samsudindiputer ku balandongan téhlain babasan, ka pipir-pipir di-adegan papayor. Nyi HajiSamsudin geus teu ngitungratus teu ngitung rébu, poknasabaraha baé béakna duitkula, entong maké diaték,naon nu perlu geusan nyam-pakkeun Si Ujang, beuli, teudibikeun dibeuli, diséwa, asalpuas asal senang. Keur naonduit digugulung ogé, ari teumatak nyenangkeun pikirmah, geus paéh mah kulanangkarak baeud moalngarasakeun gunana. Naonpédahna beunghar lamunhaté kusut marungkawut asahirup teu jamuga.

Geusan mapag ka Cire-bon, ngadadadak meuli perweuteuh ti toko Kamerling diLengkong, nu ngahaja mukapabrik bendi jeung kareta

katut pakéan kuda. Kudana,dibélaan ngaganda ti SechMubarak, kuda Arab tulen;Nyu Haji geus teu ngitungharga asal senang.

Nu mapagkeun jejerna kuArsali, saperkara rajeun nyabaka Cirebon urusan kai, kaduana bisa ngomong Jawa, katiluna geus apal kana aras-urus kasakaut, ka sabandar,ka jaksa. Ari babakuna dasasat “dulur sapapait” jeungKusén. Nu tadi ngan rék per-hiji téh dina bralna mahngaleut sapuluh, da réa baraya

jeung sobat anu bari mang-pang-meungpeung ngadonjarah ka Gunung Jati jeunghayang nyaho karaton kasul-tanan. Arinditna ti Bandung tipoé Kemis kénéh, bada kabé-jaan ku tilu pulisi nu baralik tiSurabaya téa, daratangnaSalasa pabuburit, duméh dilaut hadé angin.

Tah, dina poé SalasaMulud, najan sasatnangadadak, bubuhan sagala

aya atuh pohara raména kusémah di imah Haji Samsudintéh. Sajabana ti ngagungkeunpoé Mulud téh bet ninggangperlu kasambut sunat kalam-pahkeun.

Bubuhan béja geus pa -béja-béja, omong harusbatang goong, ditambah kubakat urang Bandung resepkana hal-hal anu tara kajadiansapopoé, atuh ti jauh kénéh gégeus réa nu “megat”, di sisijalan, ti lebah kaca-kaca wetankeneh geus tinglalimbung.

Kira pukul 10, beretek ti

wétan aya nu negarkeun kudasasat dikoprot, hayang téréhnepi, sihoréng Arsali, jadipalatuk abrulan, mengpenganlumpat ti heula, ngabéjaan kanu mapag di kaca-kaca, yénabrulan kira-kira geus nepi kaCicadas. Atuh jalma oyag, per,bendi jeung kahar nu ngada -rago ti isuk-isuk geuwat di-tatakeun. Nepi ka imah HajiSamsudin, barang dibejaan kuArsali, pribumi jeung tatamu

mani saheng. Nyi Haji geusteu puguh cagap, mun teupada ngayap mah dukakumaha. Eta ge ari napsunamah hayang milu mapag kaCirebon, tapi pada ngahulag.

Aleutan Ujang Kusén tikaca-kaca wétan kénéh geuscara ngabring-ngabring pang -lima nu tas nalukkeun nagarabaé atawa cara keur helaranpangantén baréto. Ti hareupmaké dihuluan ku barudaksantrinu narabeuh genjringrebana. Ari Ujang Kuséndiukna sa-per jeung Ujang

Tamim, lanceukna, utusansaréréa mapag ka Cirebon.

Manéhna geus méh teukaampeuh nahan cimatabawaning kagagas, malahbarang ngaliwat bui urutmanéhna dua taun katukangngadekem mah cipanonna teukatahan, nyuruluk mapaypipi, mun teu kahégar-hégarku nu salawatan bari nara -beuh rebana mah boa ceurikcara budak. (hanca)

27Manglé 2461

Page 29: Mangle 2461

Manglé 246128

Bagian

192

CCarita Nyambung

Asad ne rus -keun cari-taanana.Medarlalakonpangna

manéhna nepi ka lebahdinya. Ngan, tangtu wé teudicaritakeun sajalantrahna,lantaran aki-aki nu keurdisanghareupanana téhanyar pinanggih, teu apalsaha-sahana jeung kumahapasipatanana.

“Jadi hidep téh neangannu dagang dahareun?”

“Sumuhun, kitu pisanpangpangna mah!”

“Atuh untung hidep téh,lantaran kula rékngayakeun sukuran, ngon-dang babaturan. Andika gébisa milu, bisa daharsaseubeuhna kalayan teukudu ucul duit,” ceuk aki-aki. Lian ti nawaran da-hareun, aki-aki gé jangjirék nyaritakeun kaayaan

éta kota. Tangtu, cenah,penting keur semah mah,ngarah henteu talag-tologteuing.

Asad bungah. Inyananarima ajakan. Ngan, ayatanjakan, mun geus réngséurusan sapereluna, dirinarék gura-giru balik deui katempat asalnya, nepungandeui lanceukna. Ngadéngéomongan Asad kitu, aki-akiukur mésem, bari poknatéh, pék téh teuing kumahakarep.

Peuting ka-229Sanggeus sapuk, nu

duaan téh ngalengkah, ing -kah ti éta tempat. Asad di-tungtung ku aki-aki, ngicliktukangeun pribumi. Tijalan gedé, léok méngkol kagang nu ukcur cukup keurpapaliwat nu laleumpang.

Tétéla, anggang ti jalangedé téh. Atuh, sajeroninglalampahan, rupa-rupa

omongan nu ditepikeun kumasing-masing. Sapertijangji aki-aki, inyana gé rékméré béja ngeunaankaayaan éta kota. Ngan,horéng lain béja nu matakbungah, tapi sabalikna.Ceuk aki-aki téh, untungAsad salamet, lantaranpadumuk éta kota téhkacida jarahatna. Mun téamah, teu kaburu papanggihjeung manéhna, ceuk aki-aki téh, bisa jadi Asadtinemu bahla ku padumukkota nu umumna kacidamikangewana ka nu anyarpinanggih. Keur Asadlalampahan téh asa jauhnaker. Kitu téh bawaningku lapar jeung capé.Awakna gé lungsé, mun teudipaksakeun mah, héséngalengkah-lengkah acan.

Ahirna, nu lumampahtéh nepi. Anjog ka paka -rangan nu wawangunan -ana kacida agréngna,nenggang ti imah-imahséjénna. Aki-aki ngajakAsad asup ka éta wawangu-nan.

Sakur nu pasarandogjeung aki-aki téa, kacidamihormatna. Teg wéh Asadgé boga sangka, éta aki-akitéh lain jalma samanéa,payusna inohongmasarakat nu pada mikaa-jrih.

Sadatangna ka tengahimah, Asad ngajenghok. Ditengah imah, nyampaksakumpulan aki-aki nukeur ngariung seuneu nungabebela. Asad gé apal, nuparipolahna kitu téh,jalma-jalma nu nyembah seuneunu katelah bangsa Majusi.

Ngabandungan kaayaannu kawas kitu, PangeranAsad sadar, dirina kajiretku aki-aki nu bisa nyum -putkeun semu. Horéng,ucap hadéna téh ukur pa -ngoloan sangkan sémahnangandel kana kahadéan di-rina.Keur ngahuleng, Asadbeuki reuwas. Lantaran,aki-aki téh ngomongnatarik naker. Nyarita, yénarinyana keur meunangbarokah pangeran. Buk-tina, dina danget éta kénéh,

Page 30: Mangle 2461

29Manglé 2461

boga tumbal keur sesemba-han maranéhna.

Beuki écés wé, horengaki-aki anyar pinanggih téhgegedug kaum Majusi nupada miakajrih balad-bal-adna. Ngan, Asad gé teubisa majar kumaha!

Leng Asad ngahuleng.Mikir, néangan pipetaeun.Tapi, kalah beuki reuwaslantaran pamingpin étaumat téh, ngagorowokbedas naker. Ngageroan,abidna. “Hey Gadban, gan-cang ka dieu!”

Torojol lalaki, pang-wakanana jangkung gedé.

Kulitna cakeutreuk hi -deung. Ter haté Asadngageter, ningali panga -wakan kitu mah, najanmanéhna leber wawanén,angger rada muringis.

Luyu jeung parentahdununganana, Asad téh di-borogod, terus sina nang-tung. Teu sirikna digusur,dibawa ingkah ti éta tem-pat, muru pangbérokan.Horéng tempatna téh jerotaneuh, da éta wé, rék nepika nu dituju téh kudumudun ngaliwatan saba -baraha hambalan.

Di lawang panjara, Gad-

ban paparentah ka nu nga-jaga, awéwé nu awaknakeker. Eta téh sipir nu pan-cenna ngurus tawanan.Kalayan masih kénéh diba-bandan, Asad disun-trungkeun ka jero panjara.Bru labuh!

Teuing naon alatanana,bet Asad téh kududitibanan hukuman sabanpoé disiksa dipecutan.Atuh, puguh wé, sabanwaktu téh ukur nandangankanyeri. Nu leuwih nyerikana atina, lantaran teuweléh inget ka lanceuknanu nasibna gé kumaha boa.

Peuting ka-230Saban isuk jeung sore,

mémang dibéré dahar.Tapi, da ukur tamba lapar,ukur dibéré roti garingjeung cai hérang nu dipu-rulukan uyah. Roti nu nga-beleketrak bawaning kuteuas, ukur diségétan saeu-tik-saeutik. Dituturkeun kucai nu teu matak nimat dapuguh pangset.

Keur Asad taya pili-heun, mun beurang seung-gah nyanghreupan peuting,mun peuting seunggahnyanghareupan beurang.Da, saban isuk sanggeushudang jeung saméméhsaré angger meunang pa-nyiksa. Teu eun-eunrangketanana gé. SalilaAsad mampuh kénéhnahan kanyeri habendisiksa dirangkétan. Eu-reun sotéh mun geus kapi-uhan.

Taya harepan, iwal tiukur lamunan. Nilik kanakaayaan harita, Asad géngarasa samar pileupaseuntina balai. Atuh, nu mataknyeri haté, lantaran teuapal kana nasib lanceuknanu keur dirina mah dulurnu pangdipikanyaahna.

Awak Asad barareuh,tonggongna juuh ku getihnu rembes tina kulit tong-gongna. Atuh, karasana téhasa kasiksa. Nantung lan-jung, diuk rengkengbalukar tatu nu minuhansakujur badanana. Asadmaksakeun manéhngagolédag bari nahankanyeri. Tétéla, teu gam-pang ngagoler gé, nang -karak eungap, nyangigirnyeri. Maksa keunpeureum, teu daek reup.Balukarna, kanyeri téh nulain ukur raga badagna,tapi deuih batin-batinna

***(Hanca)

Page 31: Mangle 2461

Manglé 2461

Nurutkeun M.A Salmundina kandaga kasusas-tran (Bandung, 1963),Margasulaksana téh san-diasmana R. Iting Par-

tadiredja (K.158). Tapi cara umumnangeunaan para satrawan Sunda, henteuaya ka terangan anu leuwih écés ti éta.Katerangan iraha jumenengna (taunlahir jeung pupusna), naon padame-lanana, dimana calikna, jeung sajabana.Dina kandaga kasusastran, Salmunngadaptar keun sawatara karyana, nyaé -ta Diarah Pati, Si Tukuh, Rachmat,Pangeran Hamlet, Raja Lir, NyingkiranRurubed, Pahili Beubeureuh, Dunung -an Midua Manah, Budak NgurilinganDunya, Rara Mendut. Salian ti disatukangeun Diarah Pati anu dicirian(sd.), di satukangeun judul lianna mahku Salmun dicirian (s.), hartina salinan.Ari (sd.) hartina saduran. Padahallamun diilikan buku Pangeran Hamletjeung Raja Lir anu nyumber kana karyaWilliam Shakespeare, tetela henteu bisadisebut salinan; sabab anu asalnawinangun drama (lalakon) dina buku-buku Margasulaksana mah diringkes -keun jadi carita lancaran. Kitu deuicarita Rara mendut anu asalna dinabasa Jawa winangun macapat, dinabasa Sunda ku Margasulaksana di tulisdina wangunan wawacan. Sing saha anuteurang kana unak-anik na ngadan-gding, boh dina basa jawa boh dina basa

sunda, tanwande terang yen nyalindang ding téh mustahil, nu leuwih kaharti lamun dianggit deui, hartina laindisalin. Dina Inventarisasi PenerbitanBuku-buku Berbahasa Sunda yang ter-cetak dengan huruf latin (Bandung1981/1982) nu disusun ku Tim FakultasSastra Unpad, karangan-karangan Mar-gasulaksana anu kacatetkeun téhnyaéta: Diarah Pati (1930), Anu Mashursi Tukuh (1932), Dunungan MiduaManah (1932), Kalebuh TengahingTresna (1932), Carita anu MashurPangeran Hamlet (1933), Carita NuMashur Raja Lir (1933), Nyingkiran Ru-rubed (1933), Pahili beubeureuh (1933),Rahmat (1933), Wawacan Nyai Roromendut (1938), jeung Budak Ngurilin-gan Dunya (1941). Kabehanana wedalanBalai Pustaka. Ku kituna henteu mus-tahil, R. Iting Partadiredja téh kungsijadi redaktur (basa sunda) di Balai Pus-taka. Biasana redaktur Balai Pustaka teanyerat atawa nyalinan tina basa deu -ngeun (umumna walanda) kana basasunda, cara Moh. Ambri jeung R.Memed Sastrahadiprawira atawa R.Satjadibrata, apan nalika jadi redakturBalai Pustaka téh seueur nyerat atawanyalinan buku-buku anu dikaluarkeunku eta pamedal.

Hanjakal M.A. Salmun henteunyebutan sumber salinan atawa sadu-ran anu di pidamel ku Margasulaksana.Sanajan kuring henteu bisa mariksabuku-bukuna ka perpustakaan di Ja -karta, tapi lamun henteu salah duga,réréana anu disadur ku Margasulaksanatéh karangan-karangan Shakespeare,teuing nyadur tina wangunan drama(salinan dina basa Walanda), atawangan ukur nyalin tina vérsi barudak anuréa ditarulis ku urang Inggris jeung Wa-landa pikeun bacaeun barudak disakola. Anu lain karangan Shakespeareceuk dugaan mah, ngan Diarah Pati,Nyingkiran Rurubed (mun henteu salahtina karangan Aman Datuk Majoindo),

wawacan Nyai Roro Mendut (tina SeratPrapacitra basa Jawa), jeung BudakNgurilingan Dunya.

Dugaan yén Diarah Pati téh sadu-ran, geus timbul dina waktu maca étabuku, kulantaran aya hal-hal anu radahenteu ilahar di urang, mangkaningdina jaman harita (saméméh perang),cara urang lembur (Saruding), ari sorémaké payama (bagian II), tur di imahnatéh aya potret (album), kitu deui seringpisan kasebut-sebut ngeunaan beker (diimah Sarudin, di bumina juragan pang-siun), tapi dina enyana ogé éta carita téhsaduran, Margasulaksana parigel pisannyaluyukeun kaayaan caritana jeungkaayaan di urang. Kahirupan tukangmikat (ngala manuk), sakaterang mahlangka pisan ka gambarkeun dina buku-buku carita basa Sunda, sanajan lamunnénjo istilah-istilah pamikatan anu réaka panggih dina basa Sunda, tanwandékahirupan tukang mikat téh rada umumdiurang harita mah. Sanajan Sarudindina Diarah Pati jadi pamikat téh nganukur ngajujurkeun ka resep, tapi kaaya -an kahirupan tukang mikat jeung cara-carana mikat manuk, digambarkeunkalawan taliti ku Margasulaksana. Kitudeui kahirupan urang Sunda di pilem-buran (kaasup ngagambarkeun juraganpangsiun anu calik diluar kota), asahenteu pajauh tina kaayaan kahirupandi pilemburan Sunda. Cindekna salianti soal payama, beker jeung potrét anukarasa rada luar biasa, nu séjénna mahanu dicaritakeun dina Diarah Pati téhjiga kaayaan di urang, nyaéta TatarSunda. Lamun enya éta carita téh sadu-ran, tacan kapikir sato naon anu diu-udag ku protagonis, sabab kabiasaanngadéngékeun sora manuk titiran mahngan has karesep urang Jawa jeungSunda baé. Jadi henteu mustahil, dinaenyana ieu carita téh nyumber kanacarita deungeun, meureun anu di-cokotna téh ngan rangkai caritana baé,ngeunaan budak minggat ku lantaran

Diarah PatiCatetan Ajip Rosidi

30

Page 32: Mangle 2461

31Manglé 2461

wangkelang ka kolot sabada tinemubagja hayang mapaykeun indung katutadina anu sihoreng diarah pati ku so-batna sorangan anu kungsi dipihapéanduit jeung kapercayaan sangkan nalin-gakeun indung katut adina téa. Cin-dekna Margasulaksana geus ném bong keun katapisna dina ngawangun caritasanajan dumasar kana carita deung -eun, nepika henteu tumarumpang di-larapkeun kajadian di Tatar Sunda.Hanjakal katapis kitu téh dina buku-bukuna anu séjén mah henteu katém-bong, da umumna buku-buku séjénnamah ngan mangrupa salinan atawasaduran anu caritana henteudipindahkeun kana kahiru-pan urang Sunda.

Henteu mustahil DiarahPati téh carita misteri numunggaran dina basa Sunda.Rasiah diri Sarudin anudikukuntit ku musuh anu rékngarah patina. Dijaga kalawanangger nimbulkeun kapana -saran anu macana. Sarudinsorangan anu digambarkeunku pangarangna minangkabudak bageur anu salilana sokngarampa angen sorangan,tara pisan papaséaan jeung nuséjén, da sok ngéléhan baé,henteu terangeun ieuh yénmanéh na diancam bahayapati téh. Manéhna terangeunyén jalma jahat anu garelutjeung Juarta peuting-peutingdi Karawang téh saenyanamah rék maéhan manéhna,kakara sabada dicaritakeunku Lanceukna, Rasidin, jeungNari, lila sabada jalma jahatnaBara maot. Dina nyusun cari-tana, beunang disebutkeun Margasu-laksana apik pisan, nepi ka méh unggalbagian mangrupa bagian tina wangu-nan anu lamun dipiceun baris ngaruk-sak struktur éta carita. Ngan ayasaeutik dina carita anu dicaritakeun kuRasidin, palebah nyaritakeun indung-bapa Iran rék ka pulo Jawa, anu karasaka leuleuwihi téh. Maksud téh, lamunbagian éta dipiceun, malah strukturcaritana baris beuki pepel. Sabab kuayana éta bagian, timbul rupa-rupapertanyaan: naon sababna sabada nepika Pulo Jawa, indung bapana Narihenteu méré béja ngeunaan kaayaanindungna Idin? Padahal apan samé -

méhna indit geus ngagupayan pa -ménta Idin pikeun mapaykeun kat-erangan ngeunaan indung jeung adinatéa, malah nyanggupan pikeun ngan-terkeun éta dua jelema ti priangannepika batawi. Nepi ka carita anggeus,tanya pisan keterangan anu patalijeung indung bapana Nari.

Soal leutik lianna anu nimbulkeunpertanyaan, naon sababna dina caritaNari (Iran) disebutkeun yén Kardi nujahat téa ngaranna dilandi jadi Baratéh kusabab “bapana lain bangsaurang, tapi Arab. Kecap Arab ana diba-likeun jadi Bara”. Lamun enya bapana

urang Arab tur bapana anu méréngaran, tangtu moal Kardi, tapi bisaMuhammad, Ahmad, Ibrahim,Mustafa, Saléh atawa ngaran Arabséjénna. Kaduana, katerangan éta téhngadadak pisan. Henteu aya gambaranti saméméhna anu bisa dijadikeundadasar pikeun nérangkeun éta budakjahat bapana urang Arab. Dina waktungagambarkeun dedeg pangadegjeung pangawakan Bara basa Sarudinmimiti tepung di bumina juraganPangsiun, henteu aya katerangan anunyebutkeun yén Bara jiga Arab, pada-hal sahenteuna lamun bapana Arabmah, tangtu aya baé pangaruhna kana

pangawakanana. Katiluna, naha jalmajahat téh kudu anak urang asing? Daapan urang Sunda tulén saratus persenogé réa anu jadi jalma jahat. Kaopatna,naha bet kudu anak Arab? Naha hen-teu urang asing séjénna? ApamanaCina atawa Walanda (nu harita réa diurang)? Henteu éta téh timbul tinapangaruh “politik asosiasi” (buatan Dr.Snouck Hurgronje) via atikan sakolamangsa harita? Sacara henteu sadar,Margasulaksana nyebarkeun éta poli-tik anu diantarana maksud utamanangajauhkeun urang pribumi dina age-manana agama Islam anu dina kahiru-

pan sapopoé sok seringhésé dipisahkeun jeungurang Arab? Maksud téh,nu nyebutkeun yén Baraanu jahat téh anak Arab,bisa timbul kesan dikalan-gan anu maca, yén kaja-hatan jeung urang Arabmah identik, tungtungnatimbul antipati kagolong -an Arab, anu tuluyna nim-bulkeun anggapan negatifka agama Islam anu di-anggap minangka agamaurang Arab atawa bawaurang Arab.

Mémang kaharti la -mun Kardi hayang gantingaran. Tapi dina enyanaogé manéhna turunanArab, asa kana moal milihngaran Bara anu mang -rupa bangbalikan tinasora “Arab”. Da réa kénéhngaran séjén anu leuwihmerenah pikeun dijadi -keun ngaran anyarna, rékngaran Arab rék ngaran

séjénna. Diantara leuwih ti sapuluh judul

buku beunang Margasulaksana, beu-nang disebutkeun Diarah Pati anupangpunjulna –bukuna anu mung-garan. Punjul dina katohagaan struk-tur caritana, punjul dina gambaranngeunaan perwatek tokoh-tokoh katutkaayaan anu dicaritakeunana, punjuldina kandelna deuih. Minangka caritamisteri anu munggaran dina basaSunda, Diarah Pati ogé némbongkeunkapunjulna tina carita-carita misteripandeurieunana. Nu matak leuwih timerenah lamun di baraca deui kuurang Sunda kiwari téh.***

Page 33: Mangle 2461

Manglé 246132

CCarita Nyambung

Kaluar ti gere-bang kampus,bras ka jalanraya. Kabenerankeur rada ma -cét, teu matak

hésé meuntas. Mobil plat Bwungkul nu sok nyocok lebahdieu téh. Teu sirikna ngaleut tidua arah sakaligus. Sedengkeundi béh tonggoh téh aya terminal,paeunteung-eunteung jeungpertélon. Teu wudu pahibut kukendaraan anu lar sup.

Sanggeus meuntas, tuluyrada ngalér saeutik. Sup ka jerogang anu heureut tur rarupek.Heuleut sawatara menit geusnepi deui ka kontrakan. Kataratiiseun. Meureunan nu séjénmah keur marulang ka lem-burna. Kaayaan anu geus matuhsiga kieu téh. Da nincak poéSaptu jeung Minggu mah soksepi haronghong. Tapi bisa ogésabalikna, saupama menerankeur nyarampak. Malah soktuluy jadi gararandéng, teupuguh déngékeuneun. Untung -na téh ngomplék lebah dieumah, kontrakan wungkul, turrada jauh pernahna ti paimahanwarga. RT gé ari datang ka dieutéh samet usum ngadata jeung

ménta sumbangan wungkul.Bus kuring jeung Nita ka

jero kamar. Lumayan lalega,ukuran tilu ka opat méter.Malah aya jamban di jero sagala.Kuring mah laju ngarawélanduk dina sasampayan di luar,da awak asa kareunang balastadi tataékan. Tuluy muka lo-mari, nyokot salin. Gebrus baémandi. Kabeneran poé keursumedeng cangra, cék haténgagerentes, sanggeus nempoka luar tina eréng jandéla.Lumayan meureun rada bisacuci mata ari di kota mah, daloba ténjoeun. Balikanan dikampus, nu kapanggih unggalpoé téh éta deui-éta deui, kaasupjalma-jalmana. Kétang éta ogésok rajeun meunang téténjoanrada ahéng, anu hérang-hérangtur sumedeng pikalucueun: ma-hasiswi anyar. Malah sokngadadak jadi bukur catur arimeneran keur nangkring ting-hariul jeung babaturan mah.Tapi da peun ukur samet dinya,taya émbohna deui.

Saenyana ari saminggusakali mah kuring gé sok mer-lukeun “turun gunung”(bubuhan kampus téh pere-nahna di Bandung tebéh kalér.)

Kitu wé, manggihan anu tara ka-panggih atawa anu tara papang-gih di tonggoh. Mun teu kagedong kasenian, biasana sok kakantor majalah. Malah tempatanu kadua mah saenyana pang-mindengna dianjangan.Bubuhan raket patalina jeungkaperluan ngirim tulisan atawanyokot honor.

Tah, ari duaan jeung Nitamah ulin ka kota téh geus tangtungadongdon paraméan. KaJalan Merdeka, atawa ka Dago.Heueuh, tuda ngaranna géjalan-jalan. Ongkoh deuih kase-butna malem mingguan. Nyaanu ditéanganana ogé moal jauhti suasana anu sakirana matakpikaresepeun tur –ieu pang-pangna mah- anu sing sarwa ro-mantis. Saperti dahar saméjabareng, nyawang kota Bandungwanci peuting, atawa lalajo kabioskop.

Cindekna siga kitu ulinmalem mingguan kuring jeungNita téh. Kumaha baé prahnakalakuan nu bobogohan. Najankuring sorangan nepi ka ayeunasok rajeun bingung, kumahasaenyana hubungan antara ku -ring jeung manéhna téh.Rarasaan mah, dina campurgaul sapopoé, ukur sawates ba-baturan biasa. Tapi dina kabuk-tianana, deukeutna kuring jeungmanéhna téh geus teu payusdisebut sosobatan, deuih.Hubungan tanpa status téa kitu?Atawa naon?

Bet jadi kalalanjoananngalamun. Gesat-gesut disalin didinya kénéh. Nu kalotornadibebeskeun kana émbér. Braywé panto kamar mandi dibuka.

Kasampak manéhna keurngajentul, ngadéngékeun lagutina komputer. Diukna sideuhasemu nyangégang, tug ka erokna

rada nyéngléd saeutik sametpuhu pingping. Jas bukanangalumburuk tunjangeun suku.Lebah tonggongna anu katutu-pan kaén blus ipis katara aya nungelemeng manjang.

Kuring ngahuleng, nempo -keun manéhna ti kaanggangan.Kieu asana mah nalika manéhnamimiti datang ka kontrakan gé.Mamaké kénéh seragam gawé.Buukna dirumbaykeun kahareup (asa sarua sakitu pan-jang buukna téh.) Ngan haritamah manéhna ka dieu téh barimawa paroman anu carinakdak,teu imut hégar siga ayeuna.Panon barintit balas ceurik saja-jalan. Mangka balilihan dinajero angkot. Teu kabayangkumaha nu séjén narénjokeun -ana. Aya panumpang nu kungsinanya kitu harita téh? Pohodeui. Kuring nyampeurkeunmanéhna. Tuluy ditangkeuplalaunan, bari dicium lebahpuhu ceulina.

“Apaan sih ah,” cénah halon.Tapi panonna mah anggermanco ka hareup.

Kuring teu ngajawab. Gékdiuk tukangeunana. Leungeunkatuhu ditumpangkeun kanaleungeun manéhna nu keurnyekelan mos. Sedengkeun nukénca dibeulitkeun kanaawakna. Manéhna ngadayagdagnyarandé kana dada. Karasabuukna ngageleser lemes lebahpipi. Sawatara lila mah taya nuobah. Ukur kaselang ku ngam-bung buukna sababaraha kali.Taya nu lémék. Hawar-hawarkadéngé sora lagu tina sepékerkatut rénghap manéhna nuhalon.

Harita gé basa manéhnadatang ka dieu téh ku kuringtuluy ditangkeup, tina alatansamar polah nénjo nu kanye -

Layung Ngempur di Kampus Bungur

Ku Lugiena De

55

Page 34: Mangle 2461

33Manglé 2461

nyerian. Malahan mah lilapisan, lantaran manéhna so-rangan bet kawas nu embunglésot. Kuring ukur ngabigeu.Reuwas campur bingungbabakuna mah. Teu nyahokudu kumaha. Pamustungan -ana nu keur nyegruk téh di-antep sakarepna, teu ieuhdigarah-geureuh.

“Bésok Nita mau ke sinilagi ya, Yud. Péngén ikut non-ton pagelaran,” cék manéhna,sanggeus paheneng-heneng.

“Enya,” walon kuringpondok. Jempling deui, tayanu nyarita. Kuring tuluynelek-nelek manéhna.Panonna peureum. Dadanaturun naék anca nakeranan.Tuluy diteuteup sajongjo-nan. Bet karasa aya nusumarambah kana awak,bareng jeung keteg jajan-tung manéhna.

Kuring ngarahuh. Ce-lengok halisna dicium.Nyah manéhna beuntalalaunan.

“Anduk Nita disimpendi mana?” pokna bari malikneuteup.

“Aya dina lomari. Bajusalin anu kamu gé di dinya.Kamu rék ka cai?”

“Heeh,” cék manéhnadeui bari tuluy ngoréjat.

Sanggeus nyokot anduk,léos ka kamar mandi. Teu lilakadéngé sora cai gegejeburan.

Sabot ngadagoan numandi téh kuring mah tuluyngalangeu lebah lawangpanto. Cekés nyeungeut roko.Ngarénghap panjang,nyeuseup hawa seger ti luarbari nénjokeun kaayaansabudeureun. Nu nyaksrakdina awak satékah polah dipe-ruhkeun. Teu wudu radakapeper meueusan.

Najan enya remen teukaampeuh, tapi da haté leutikmah keukeuh teu sapagodos.Cohagna ka manéhna téhangger kudu maké wates. Kitucék gerentes mah. Kuring so-rangan sok rajeun nyieungurat wates sajeroning reureu-jeungan jeung manéhna téh(najan kuring sorangan kénéhnu sok ngalanggarna).

Sedengkeun ti manéhna mahsama sakali teu méré wates nutandes. Teu kungsi ngangluhdeuih, saupama dina kabuk-tianana lalampahan téh samasakali jadi taya watesna. Teukungsi nyabit-nyabit acanmalah. Atawa mémang teuhayang kitu?

Kadéngé manéhna ngulu-trak ti kamar mandi. Kuringngalieuk. Bréh baé, manéhnaukur dibakutet ku anduk

wungkul, ti luhureun dadasamet nengahan pingping.Sakedapan ukur silih pelong.Manéhna nyampeurkeun. Telawak paantel.

Ngan kaselang ku nutup-keun panto wungkul. Tuluynamah jadi sing sarwa teu kawa-tesanan, da némbrak katénjosagala rupana. Kitu deui lamu-nan. Bet ras kana jus bihun nutadi beurang dipaké heureuyka manéhna.

4ANU tadi beurang ngajak

indit téh dina kabuktiananamah kalah ngageubra gi-gireun. Capéeun tayohna mah.Enya, da ngagurutakna kadieu téh apan tas samulangnagawé pisan. Ongkoh deuihcénah di kantorna keur réamasalah. Cohagna manéhnatéh keur manggih kapusing.Tuluy ari jig ka dieu bet

kalah... Ah, Nita! Geus sabaraha

kali atuh urang kieu téh? Nahaku anjeun sok pirajeunan di-itung? Atawa mémang samasakali tara dipikiran?

Hawar-hawar adan isangalanglaung ti masjid béhkalér. Can aya nu kungsicengkat ti tadi gé. Duka geussabaraha jam ngagolérluhureun kasur. Manéhnatibra kénéh, can lilir-lilir.

Sedengkeun kuring ngadonanteng ngumbar lamunan so-rangan.

Awak beuki dibunian deuiku simbut, lantaran hawakarasa mimiti nyecep.Manéhna gé tuluy kukulisikan.Leungeunna ngopépang. Ta -yohna mah sarua tiriseun.Tuluy baé disimbutan nepikana lebah beuheungna.Manéhna tibra deui. Kadéngésora rénghapna halon.Manéhna diteuteup deuipikeun anu kasakitu kalina.Asa teu seubeuh-seubeuh. Tisanggeus manéhna dug saré,panon mah rét deui-rét deui.Haté ngagelek ku rupa-ruparasa. Saha téa atuh manéhnatéh? Najan lawas reureujeu -ngan deudeukeutan, geuninghaté sorangan mah weléh teubisa nyindekeun: di mana per-nahna posisi manéhnasaenyana. Ari anjeun, Nita,

bisa nyindekeun henteu,kumaha posisi kuring dinahirup anjeun? Minangka naonkuring téh?

Hirup jeung manéhnararasaan mah lir cai nu tuluymiang ngamalir, taya nu nga-mudi. Enya, di mana teuingaya cai maké kungsi mikiranulah jeung kudu. Atawa miki-ran kumaha jeung rék kamana. Ngaguluyur tuluy, kamana karepna.

Tapi da geuning kuringjeung manéhna lain cai dinaharti hakiki, anu mémangleupas tina perasaan sedihjeung bungah. Kuring jeungmanéhna manusa. Ayakalana bareng jeung ma -néhna téh kebek ku kasuka.Aya kalana sabalikna. Turpamustunganana mah dua-nana ogé nyanghulu kanakaguligah haté anu tuluy-tu-luyan ngaririwaan. Kuringsorangan ayeuna-ayeuna betrajeun tumanya na jerohaté: rék tuluy ka manasaenyana? Rék tuluy ku -maha? Naha nyurulung kawalungan laju ngoléab dinaumpalan nu leuwih gedé,nepi ka hiji mangsa pinastidi sagara? Atawa ngaleungitnyerep ka jero taneuh?

Manéhna gé saruameureunan. Jero-jerona mahremen diririwaan ku kalang -kang hirupna sorangan. Asasageuy teuing nepi ka teukungsi tumanya kitu. Tapinaha atuh manéhna mah teukungsi wakca pisan. Hémengpuguh gé. Lebah perkara ieumah manéhna teu kungsingabijilan carita, najan kuringsababaraha kali kungsi ngocal-ngocal. Sasatna lir rusiah anudisidem jeroeun haté, ulahkanyahoan ku nu séjén. Pada-hal dina kanyataanana, kuringjeung manéhna geus kaliwatwates ngungkab rusiah. Ku -ring jeung manéhna lir nang-tung pahareup-hareup, dinakaayaan sabeuleugeunjeur teukahalangan ku sacewir kaén.Éstu geus atra sagalana. Bohkuring ka manéhna, kitu deuisabalikna. ***

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2461

Manglé 246134

imah. Biasana idangan lauknakéré mujaér, ngalengkepantuhar-taheur téh . Ieu mah dag-ing sagéréntél. Teuing dagingdomba teuing daging embé.Pédah pisalakieun Hayati ban-dar domba meureun.

Piisukaneun Hayati dira-palan, keur istirahat Aminahnyampeurkeun ka kelas.Mikeun kertas salambar ditilep-tilep.

“Ti Hayati,”cenah semu nga-haréwos jeung rada culang-ci -leung. Gancang ditampanan.Dibuka tukangeun panto. Dieu-siaksara rugal-rigel. Tulisanbudak kelas opat nu teu tamat.Unina :

“Cécép, hampura nya, Aay teukaburu naur hutang ku suungkotok.”

Aminah nu geus malikleumpang ka kelasna, digeroan.Diajak ngomong lalaunan :

“Omat pangbéjakeun ka Ha -yati, suung kotok tong diinget-inget. Hutang lunas, kituh.”

“Suung kotok naon? Hutangnaon?”Aminah molohok.

“Lah teu perlu nyaho. Pokonaomongkeun wé ka Hayati ayeu -na. Isuk mah bisi kaburu riweuhdirapalan, nya?”

Aminah unggeuk bari ngahu-leng teu ngarti. Léos ka kelasna.

Ti pabaru ka pabaru, teruskalarung nuturkeun waktu.Sapabaru, jangkep sataun, teukarasa. Sakola ge geus pindahka SMP. Tara kaburu néangansuung unggal isuk.Ari meneranpoé Ahad wé atawa peré.Ongkoh teu sumanget rék luntaka kebon isuk-isuk jejeblogan.Teuing ngarasa géngsi, pédahgeus murid SMP, hiji-hijina disalembur. Duka pédah moal ayanu ngagebah kawas sataun katukang. Rék indit sakola, nénjobuah manalika asak dinatangkalna di buruan. Gancangdiala. Teu ditunda ka imah.Dibawa wé. Angkanan pura -keun bari leumpang di jalan.

Lebah tanjakan ka jalankabupatén gok jeung Hayati.Turun tina sado. Tas ti pasar ji-gana. Da ngajingjing balanjaan.

“Bagéa,Cécép. Mani langkakatingali geus di SMP mah. Soknéangan suung kénéh?”Hayatimiheulaan nyarita. Bet aga-eu -

geu rék nembalan téh. Ngadonsong ngasongkeun buah man-alika. Hayati rikat nampanan.

“Nuhun, Cécép. Rejeki SiUtun Inji. Ti kamari uruyhayang bubuahan,”cék Hayatideui némbongkeun kabungah.

Teu némbalan. Teu nyaritasakemék. Léngkah digancang -an, bari ngageroan tukang sadoménta didagoan.

Teu hayang ngarérét deuih.Sieun itu pareng ngarérét.Hoream paadu teuteup munenya mah papada ngarérét.

Nyiram cenah, dédéngéantadi. Mana kitu gé rumah tang-gana jeung Dirman bandardomba lulus banglus.

Lat poho ka Hayati, sanggeusasup SMA di kota kabupatén.Indekos.Balik dua mingguatawa sabulan sakali. Camplengtilu taun, ka lembu téh ukursaliwat-saliwat . Balik Saptu,indit deui Ahad. Usum peré, di-pake ngablu ka mana wé saka-hayang. Nuturkeun kareta-api.Ti Garut ka Cikajang, isuk-isuk.Mulang pasosoré. Ti Garut kaCibatu. Terus megat karera apinu ka Bandung atawa ka Banjar.Kuma karep baé. Atawa kumpuljeung babaturan nu araya dikota. Latihan drama, musikjeung ngalukis.

Mun teu kapegat ku lulusujian, jeung hayang neruskeunka paguron luhur mah, moalteuing balik. Tapi pan perluwaléh ka kolot, sarta ngaba -damikeun waragad lamun ka-parengkeun laksana kuliah.

Unggal sasarap isuk-isuk, sokménta sangu sangray kabiasaanbaréto keur budak. Ku ema sokdigugu.

“Hanjakal tara aya tumissuung ayeuna mah,”semu radangaweweléh ka indung nu geushaat mangnyangraykeun sangu.Kupah-kepoh niupan seuneu kusongsong awi.

“Suung di mana Cécép. Ke-bonna gé ayeuna mah apangeus digemuk ku uréa, ku NPK.Tara aya suung deui. Béda jeungbaréto.Jaman gemuk ka ndang,gemuk kolong, kompos. Tanahkebon téh riduh. Pikabetaheunsuung jaradi.Dina ayana gésuung, kudu neangan ka ditu kakebon di pasir nu jarauh ,”tém-

bal éma.Isukna,isuk-isuk aya nu

pupuntenan ka dapur. Dipapagku ema Kadéngé guntrengsakeudeung.

“Cécép !”ema ngageroan. “Ieuaya nu rék ka Cécép.”

“Kulan !”buku nu keur dibacageuwat ditunda. Rusuh nyam-peurkeun.”Aya naon?”

“Ieu Nyi Patmah rék kaCécép, cenah,”ema nuduhkeun.

Barang gok, budak awéwé sa-puluh taunan, ngélék ayakanleutik dituruban daun cau.Nungtun budak umur opat tau-nan.

“Aya naon kitu?”gancang di-talék.

“Mang Cécép, abi dipiwarangku Bi Aay, nyanggakeun suungkotok,”Nyi Patmah nga-songkeun ayakan leutik, Pinuhku suung kotok rada galedé.

“Geuning? Bi Aay Hayati?”Budak unggeuk. Nu leutikna

mureleng neuteup.Ari ieu saha?”leungeun

ngusap sirah budak, nu tuluymurangkél kana leungeun NyiPatmah. Nyumputkeun beu -ngeut. Aha ihi rék ceurik.

“Putra Bi Aay”Ayakan ditarima. Eusina

dieurihkeun kana baskom.Ayakanana dibikeun deui ka NyiPatmah bari nyarita :

“Nuhun kituh ka bibi, nya?”Nyi Patma unggeuk. Tuluy

mangku budak. Léos inditsanggeus pamitan.

“Tah geuning aya nu ngirimsuung. Isukan urang tumis ga -ring keur deungeun sangusangray,”sora ema muyar keunlamunan. Pipikiran keur ma-pantes. Meureun ieu suungkotok téh pamayar hutang Ha -yati pédah ngagebah.

“Ari anakna nu tadi,moalsalah nu basa keur indungnanyiram dibéré manalika asaktéa.”

Enya umur jeung mangsa teukarasa. Asa cikénéh pabaru. Sokmulung suung ka kebon.Tepung sakolébat jeung Hayati.Miara rasa nu teuing kumaha.Miara ingetan nu terus ngan-teng.

Malah manjang nepi ka kolot.Ceuk dulur-dulur dilembur,Hayati sok getén

barangkirim ka ema. Ayalalab,aya beubeutian. Malah ariusum suung mah sok ngaha-jakeun pisan . Duka meunangnéangan ti mana,jeung saha nunéanganana.Apan di kebondeukeut lembur mah geuslangka.Kudu ka ditu ngaha-jakeun ka pasir atawa tetelarsuku gunung nu jauh. Piraku arisalakina mah, ngahagal keun.Hég suungna dibikeun kabatur.Moal mungkin.

Keur ema jumeneng, kitunatéh. Ari sakalieun balik, ema soksasauran :

“Mangkukna mah Nyi Aayngirim suung saayakan. Suungbulan, suung kotok, suung ram-pak.Suung paré gé aya cenah,ngan éra mikeunna pédah laleu-tik. Sok aya émbohna,cenah,sugan wé katuang kuCécép. Ceuk ema téh, ah Cécépmah biheung iraha kadeiuna.Sibuk kuliah jeung gawé.Sok katingal nguyung ari diki-tukeun teh. Naha kungsi pakaitbatin kitu Cécép jeung Nyi Aaytéh?”

Teu ditembalan. Cukup kugideug wé. Atuh ka Hayati tarapangangguran nepungan deuih.Bisi matakngabarubahkeun.Malum dipilemburan nu kuat kénéhnyekel tarali paranti agamajeung darigama. Pisakuma-haeun matak guyurna ayaawéwé boga salaki dianjanganlalaki séjén.Komo lalaki nu keurbudakna kungsi boga sakolébatrasa nu teu kebat. Teu puguhalang-ujurna.

Ayeuna Hayati geus puputumur. Teu sangka.Abong ajalmah rasiah maha rasiah. Sana-jan sahandapeun,geus nepikana titis tulis mah, teu bisamondah. Jodo,pati, bagja,cilaka,éta geus aya aturanana tilohmafud.

“Aay,baréto Aay miheulaankawin.Ayeuna Aay miheulaanmulang ka kalanggengan,“nyarita kedal tina rasangarakacak.

Ras kana haatna mayarhutang kasalahan ngagebah,kusuung kotok. Kana tumarimanabasa keur nyiram diberé man-alika asak.

Hayati, Hayati.***

SSambungan ti kaca 23

Page 36: Mangle 2461

Mesin Cuci

Nikah téh milik, aya nu ngado mesincuci. Keur mah ti samemeh kawinoge geus dikonsep kudu boga

mesin cuci, ari ieu aya nu ngado. Puguh waeasa meunang milik. Pamajikan teu kudunepi ka dadas dampal leungeunna, da nye-seuh dikawulaan ku mesin cuci.

Sabada dipaluruh, horeng nu ngadomesin cuci téh dosen kuring jeung pama-jikan, da kuring jeung pamajikan téh saruakuliahna sajurusan. Dosen nu ngado ogeteu disaha-saha da puguh dosen nu ku kur-ing jeung pamajikan basa keur mahasiswakeneh remen dibantuan, utamana mahmantuan panalungtikanana.

Ari pamajikan mah geus biasa kanamesin cuci téh, da di imah kolotna oge bogamesin cuci. Sejen kuring mah nu kakaraboga jeung asana téh kakara ningali mesincucina oge, da salila ieu mah ngan beja wae,can ningali kumaha-kumahana. Keur mahbarang awewe, jadi teu pati apal téh.

Ti barang mimiti dipake oge pamajikanmah geus tapis naker. Kaasup masang kabeljeung nempatkeunana oge kuring diintuk-sian ku manehanana. Kaasup cara-caranyeuseuhna oge kuring langsung ditrainingharita keneh.

Mun nyeuseuh téh cenah kudu nepi katilu kali. Nu mimiti dicaian biasa campurjeung deterjen, nu kadua dicaian wungkul,jeung nu katilu dicampur nu nyeungitanpakean (pengharum). Sanggeus tilu proseseta, tuluy wae digaringkeun kana tabungcuci nu hiji deui. Geus kitu mah kari dipoewae. Hasilna geus ampir 80% garing.Malah teu kudu dipoe, kaangin-angin ogegaring geus dimesin cuci mah.

Hiji poe pamajikan keur ka pasar meulideungeun sangu. Ceuk pangrasa téh ari ayamesin cuci mah kuring oge bisa nyeuseuhku sorangan, teu kudu ngagawekeun pama-jikan. Da pamajikan téh loba cabakna.Mesin cuci mah sagalana sing sarwa otoma-tis, kari moekeun wae.

Sagala wae diasupkeun kana mesincuci, malah nu karek make sapoe oge dia-supkeun. Kaasup sapatu jeung kantong. Dalamu keur bujangan téh, nu panghoreamnanyeseuh sanggeus calana jin téh sapatujeung kantong.

Ngan barang mesin cuci dihurungkeuntéh kadenga gandeng jeung bebeledugan.Ceuk pangrasa téh ah biasa meureun aringaguruh mah.

Sabot mesin hurung pamajikan datang,

tuluy nanya sora naon cenaheta nu bebeledugan. Dibe-jakeun wae keur nyeseuh.Ngan barang dicek ku pama-jikan.

“Naon ieu aya sapatu?”Kuring mah bati kerung, apan

ngaranna oge keur nyeseuh.Pamajikan kalah tuluy nyarekan, enya

wae cenah mesin cuci téh bisa nyuci sagalarupa. Da ari keur sapatu mah teu bisa. Kudukeur papakean nu mangrupa kaen. Untungcenah teu ruksak oge. Mangkaning mesincuci anyar jeung kado.

Kuring mah ukur nyenghel wae. Niatmah meh teu ngahesekeun pamajikan, tapikalah meunang semprot ti pamajikan téh.

Taufik RahayuJatinangor – Sumedang

Kabur Pangacian

Ieu kajadian teh kaalaman ku kuringpribadi. Kajadianana teh can lila, kira-kira tilu bulan ka tukang.Harita teh poe Minggu, kira jam sala-

pan isuk-isuk, kabeneran kuring keurpopoe pakean beunang nyeuseuhan baru-dak. Torojol aya pulisi nyampeurkeun kakuring, atuh puguh kuring teh kacidareuwasna. Teu lila eta pulisi teh nanya kieu:

"Dupi ieu teh leres bumina Yudi?""Leres. Ari kitu aya naon sareng pun

anak teh?" ceuk kuring heran, sabab anakkuring teh harita kakara pisan indit ti imah.Dina hate boa-boa anak teh meunangkacilakaan, jeung rea-rea deui prasangkagoreng.

Ceuk Pulisi deui, "Eu... sanes Bu, eta daYudi teh rerencangan abdi."

"Oh, rerencangan Yudi." ceuk kuringbari ngareret kana saku bajuna.

Kuring kakara sadar sanggeus ningalidina saku bajuna aya ngaran anu geus teuasing deui keur kuring, sabab eta jalma tehsering datang ka imah anu samemehnamah acan jadi pulisi.

Da sihoreng teh geuning Carmin (calonminantu) kuring manehna teh.

Ari ras kana kajadian harita jeung baru-dak so ger bae saleuseurian ku kaeraanharita.

Nyi Cucu SBandung

Kapaksa Ngalahun

Ieu mah pangalaman budak kuring anucikal jeung bibina waktu pakanci sakola

taun kamari. Adi kuring téh nganteurbudak kuring liburan ka Yogyakarta, da diditu aya adi kuring anu séjén. Budak kuringmah kakara kelas tilu SD harita téh. Sedengbibina masih kuliah semester ahir.

Unggal poé budak kuring jeung bibinatéh ulin ngurilingan kota Yogya. Geuspuguh Malioboro, karaton, pasar Bring-harjo, dalah tempat anyar kayaning TamanPintar jeung taman-taman séjén ogé di-datangan. Bararesih cenah di kota Yogyamah, matak resep jalan-jalan. Taman-taman umum pikaresepeun keur ulin. Atuhtempat ulin budak saperti Taman Pintarmayarna henteu sabaraha. Mekel duit sa-puluh-dua puluh rébu ogé geus bisa asup katempat-tempat ulin.

Demi adi kuring, sok rada haroréamubral-obrol jeung urang Yogya lamun makebasa Jawa. Sok puluhak-polohok da ser-ingna mah henteu ngarti maksudna. Pang-pangna mah ngobrol jeung jelema saliwat.Ngobrol jeung tatangga mah masih bisanyambung, da ari ituna sadar mah yén adikuring henteu bisa basa Jawa, terusna mahsok ku basa Indonésia.

Hiji poé, sanggeus kukurilingan diMalioboro, jajan itu jajan ieu keur oléh-oléhka Bandung, adi kuring kakara sadar yénbekel tinggal saongkoseun kana beus. Geuskitu mah gancang ngajak budak kuring mu-lang naek beus. Kabeneran beusna kosong.Tapi enya ogé kosong, budak kuring téh di-lahun ku bibina.

“Ateu, naha dilahun sagala, apan mo-bilna ogé kosong,” ceuk budak kuring. Nye-butna Ateu, da kitu biasana, meureunnénéhna tina Tanteu.

“Dilahun waé nya, artosna ngan cekapongkos saurangeun,” témbal bibina.

Tungtungna sapanjang jalan ti Malio -boro ka imah adi kuring di Wates, budakkuring dilahun ku bibina. Padahal pa -numpang beus téh ngan ukur sababarahaurang. Maksudna mah ngarah lamunmayar ngan saurangeun, budak kuring mahdianggapna budak leutik. Sedeng lamunbudak kuring diuk dina korsi anu misah,konékturna pasti ménta ongkos deui. Keurmah duitna ngan ongkos saurangeun,konékturna aya kamungkinan nagih kubasa Jawa. Pasti barabéna lamun kajadiantéh.

Basa éta pangalaman didongéngkeun,saréréa pada ngagakgak. Kabayang adi ku -ring ngalalahun alona dina beus kosong.Apan budak kuring téh enya ogé kakarakelas tilu SD, awakna mah apan bongsor,jangkung ampir nyaruan rumaja.

Lina Herlina –Bandung

35Manglé 2461

Page 37: Mangle 2461

DISUNTIKIdun: "Mun engké manéh lak-sana kapiduriat jadi dokter,mun kuring gering jeung di -suntik, kudu haratis kadé nya?"Bani: "Tangtu waé atuh, apanmanéh mah sobat kuring nusatia. Mun batur mah disun-tikna cukup ku sakali, keun kamanéhna mah 5 nepi ka 10gejos gé teu nanaon. Pédah waéatuh ka kosabat."Idun kekerot.

Dani HilmanKp. Babakanwangi RT 02/04

Kec. Naringgul - Cianjur

MOBIL MOGOKCucu keur mawa ulin adina kajalan raya. Kabeneran di sisijalan teh keur aya mobil gedenu keur didarorong alatanmogok.Adina nu keur meumeujeuhnatetelepek sagala ditanyakeun,harita oge kitu.Adina: "Aa, ari itu mobil nuageung mobil naon?" ceukadina bari tutunjuk.Lanceukna: "Ah, maenya teu

nyaho nu kitu-kitu acan. Apanitu teh mobil mogok!" ceuklanceukna bari nungtun adinameuntas jalan.

Dani HilmanKp. Babakanwangi RT 02/04

Kec. Naringgul - Cianjur

GUNUNG PADANGGuru: "Barudak, cing sebut -keun ari gunung padang aya dimana?"Murid: "Gunung Padang mahpasti aya di Padang, SumatraUtara, Bu!"Guru ngagelendeng dinahatena: "Duh, barudak Cianjursorangan teu apal kana gunungnu aya di daerahna." barigigideug.

Dani HilmanKp. Babakanwangi RT 02/04

Kec. Naringgul - Cianjur

NgintipWa Haji : "Keur naon manéhkeketenyepan di sisi kamarmandi kuring?”Obar : "Eu.. éta wa.. eu..”(ngadégdég)

Wa haji : "Halaaahh!! ngintipsiah nya?!!” Obar : "Iiih… sanés wa, uingukur rék negeskeun hungkul,saha-sahana anu keur ibaktéh… ari pék..,”Wa Haji : “Alesannn!!!!”

Herdin MulyanaJl. Astana Anyar 111

Meuli MobilUjang : “Ema…, Ujang hayangmeuli mobil..”Ema : “Manéh téh mikir…,Ema boga duit ti mana..”Ujang : “Pan ema rék ngajualtutut.”Ema : “Iraha ngagedéanananunggu duit hasil dina tututmah….”

Herdin MulyanaJl. Astana Anyar 111

RewogMamah : “Tos Sabaraha kaliEnjang emam?”Enjang : “Sakali, ma.”Mamah : “Maenya, ning ieuboboko kosong?”Enjang : “Muhun…, sakali didapur, sakali di tengah imah,sakali di golodog, sakali barinonton tipi, sakali deui botramjeung Si Uned tadi di kebon…”

Astri Jl. Gurame no. 123

HuntuNini : Jang, pan huntu nini téhtinggal sesa dua. Tah ayeunaanu hiji rada nyéngholUjang : terus uing kudukumaha atuh ni?Nini : Nini pang meulikeunbéhel.

AstriJl. Gurame no. 123

Akibat nginumGuru : ”Manéh nyaho, cingnaon akibatna loba nginumtéh?”Endul : ”Terang, Pa.”Guru : ”Naon?”Endul : ”Beser…”

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

PelajaranGuru : saha nu apal kana pela-jaran minggu kamari?Kelas ngadadak jemplingGuru : Omo inget kénéh teu?Omo (reuwas) : Euuu… lah, nuatos mah atos wé bu, tongdiemutan deui… bilih jantenmatak…”

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

Manglé 246136

Page 38: Mangle 2461

SaratnaAkang : “Nyi, akang hampura.”Nyai : “Mangga ku abdi diham-pura, tapi aya saratna…” Akang : “Naon saratna.”Nyai : “Asal pangngalakeunbulan jeung pais guludug…”

Obar SobarsaJl. Astana Anyar No. 90

AsemApa : Ari ieu sayur naon, cih?Icih : Sayur asem, Pa!Apa : Ning asem hungkul?Icih : Pan namina gé sayurasem.

Obar SobarsaJl. Astana Anyar No. 90

Surat CintaTi Aa : “Akucintakamu…”Ti Rina : “Lepat nyeratna, A.Naha teu nganggé spasi.”Ti Aa : “Ngahaja rin, supadosteu aya lolongkrang kosongkeur nu sanés..”Ti rina : so sweet..

Army AfriantyJl. Bima No. 12 Bandung

Garoan heulaKabayan : “Teung…, lamunmasak tales ngarah teu ateulkumaha nya?''Iteung : “Beresihan heula atuhkang, geutahna kerokan…”Kabayan : “Salah atuh teung,garoan heula ku nyanéh..”Iteung : “Aaahh.. ari nyahomah, maké nanyakeunsagala..!!

Army AfriantyJl. Bima No. 12 Bandung

APPLE"Geus teu usum ayeuna mahbebelekberian teh, ayeuna mahusumna oge gadget apple!""Keun, engke mun ka pasarurang meuli atuh 2 kilo ariresep apel mah."

Melinda MaharaniBogor

TABLETAnak: "Mah, hayang tabletatuh, Mah!"Indung: "Nya gering naon

atuh? alit keneh mah tongnuang tablet pait, keun engkedipangmereskeun sirop!"Anak: "Dih, Si Mamah mahhenteu gaul, da Eneng mahhoyong tablet samsung laintablet ubar gering!"

Melinda MaharaniBogor

FACEBOOKIkem: "Internet teh horeng lainkalah mawa mangpaat, nupuguh mah kalah jadi mu-dorot!"Tini: "Nya kunaon kitu?"Ikem: "Eta si Marni, nepikeunka diserahkeun ku salakina!"Tini: "Gara-gara naon?"Ikem: "Eta gara-gara ceting-cetingan dina pesbuk, kapang-gih sayang-sayangan jeungkangen-kangenan jeung popo-tonganana."Tini: “Beuh, jeuhna wae atuh!”

Melinda MaharaniBogor

CAI SUSUAdul: "Cing, teguh naonsasaruaanana Cai Mineraljeung Cai Susu Indung?"Sadut: "Sarua bisa diinumatuh!"Adul: "Nya salah atuh! nubener mah sarua asalna ti gu-nung! hehe."Sadut: "Hahaha ... koplok siahAdul, heueuh ketang da geun-ing bener!"

Ardi KhardiansyahCianjur

REM TANGAN“Lamun nuju macet gunakeunRem Tangan. Carana buka -keun panto mobil terus kaluar -keun tangan, tapelkeun waekana Aspal, antep nepi kamobil eureun.”

Ardi KhardiansyahCianjur

DAGING IMPORLantaran mahal. Hiji palang-gan protes ka nu boga warung.Nu Dahar: “Naha mahal-mahalteuing, pira oge dahar jeunghayam hiji! Biasana oge dahar

jeung nu kieu mah ngan sapu-luh rebu, ieu bet limalas rebu.”Tk. Warung: “Da hayamna ogeieu mah hayam impor!”Nu Dahar: “Ah, geuning saruawae rasana mah.”Tk. Warung: “Nya heueuh atuhsarua, pan ngaranna ogehayam!”

Ardi KhardiansyahCianjur

Jampé Dagang- "Jampé dagang mah iwal tijunun."+ "Contona?"- "Mun dagang sosin, kajabadisusun, ogé kudu soson-sosonnajan batina ukur sasén duasén keur mahugi Néng Susan."+ "Mun dagang kupat?"- "Dagang kupat mah dipahingélodan ka nu geulis keur keu-pat. Ngaladangan teu kaci barikupat-képot, angot bari kupat-kaput mah."+ "Ari jampé dagang bedog?"- "Mun dagang bedog hayangmeunang bati badag sagedébedug, omat ulah ngajualbedog meunang budag-badogbisi budug!"

Féndy Sy. Citrawarga, Bandung

Teu Naék- "Harega Majalah Manglé téhgeus naék ayeuna mah nya?"+ "Enya, ari kitu?"- "Tapi honor Barakatak canundak."+ "Enggeus ah."- "Nu bener?"+ "Enya, naék tina pananganBu Ai kana pésak."- "Aéh heueuh nya."

Féndy Sy. Citrawarga, Bandung

DiburuhanEngko: “Jang pangmeulikeuntakoah, engké ku owéh dibu-ruhan siomay!”Jajang: “Ulah siomay atuh,Ko!”Engko: “Hayang naon atuh?”Jajang: “Hayang... Si Amoy!”

UsépGéologi Bandung

Ngagantung ManéhPamuda: “Rék ka mana Mangmawa tambang sagala, bet asapalaur?”Mamang: “Aral dewék téh. Rékngagantung maneh!” (gantungdiri)Pamuda: “Naon kasalahanuing rék digantung sagala?”Mamang: “Har?”

UsépGéologi Bandung

Geus KolotAki: “Pais naon ieu téh Ninimani teuas teuas teuing?”Nini: “Kapan éta teh paisiwung kabeuki Aki.”Aki: “Naha geuning mani teuaskieu?”Nini: “Ngahaja iwung nu geuskolot. Ngarah awét didaharna.”Aki: “Kacida!”

UsépGéologi Bandung

Teu Asup RekorEmang: “Asa teu adil ceukEmang mah!”Alo: “Maksudna?”Emang: “Éta Nyonya Mennerku naon teu asup kana GuinesBook of Record.”Alo: “Ari kitu kumaha?”Emang: “Enya pan NyonyaMenner téh berdirina ti taun1812. Ayeuna geus taun 2014.Sabaraha taun tah henteudiukna gé?”Alo: “Beu!”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

Aya BenernaKabayan: “Ceuk uing mah asacumah pamaréntah gumbargembor ngeunaan KB téh.”Mitoha: “Maksud silaing ku -ma ha?”Kabayan: “Heueuh Bah daurang kota mah tara mariluanprogram KB atuh.”Mitoha: “Sok gagabah nyaritatéh. Naon buktina?”Kabayan: “Éta geuning ari dinagang-gang di kota mah sok ayatulisan anu unina, ‘Hati-hatibanyak anak-anak!’”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

37Manglé 2461

Page 39: Mangle 2461

Manglé 246138

SSambungan ti kaca 21calik henteu tebih, neuteupkuring mani anteb. Emangarawu kuring, nangkeup,ngusapan buuk. Isukna,sabada solat Subuh, Apanyaur. “Minggu kamarisaenyana aya anu nawartanah urang anu di sisi Tan-jakan Panjang, lima puluhjuta. Sigana lamun Apa méntaditambahan lima juta deuiogé masih wanieun,” saurApa.

Kuring tungkul. Tanahtilu puluh bata téh hiji-hijinakagungan Apa.

*** Daptar jadi TKI pikeun

gawé di luar negri nyatanahenteu gampang sakumahaanu diimpleng. Aya daptartunggu, latihan itu latihan ieu,kursus basa, jeung réa deui.Pikeun kuring anu keurbaluweng, tangtu waé matakbeurat. Da kahayang mahharita kénéh ngabelenyeng kaluar negri. Ka mana waé in-ditna mah. Amerika, ArabSaudi, Malaysia, Koréa,Jepang, atawa nagara manawaé ogé henteu masalah.

Waktu téh asa ngarayap.Latihan, kursus, daptartunggu, asa jadi hahalang.Nyatana prosédur nu hésékitu pisan anu nyalametkeunkuring téh. Salila di Bandungkuring nganjrek di bumina BiKarsih, adi Apa anu tos we-lasan taun ngumbara di Ban-dung. Anu disebut bumi téhwangunan opat ka opat mé -tér, patétéép di gang leutik diCicadas. Mangkaning Bi Kar-sih sareng Mang Asip kagu -ngan putra tilu. Atuh waktunasaré, barudak ngagalolér ditengah imah, di hareupeuntélévisi 14 inc.

Lantaran kesel nungguankursus jeung daptar tunggutéa di agén tenaga kerja, ku -ring unggeuk basa ditawarangawé ngajaga warnét. Tangtuwaé bari nungguan langgananwarnét loba hal anyar anubisa diulik, pangpangna ngeu-

naan dunya internét. Gauldina facebook, tweeter, diajarngarancang jeung ngeusianblog, surfing ka wéb-wéb anubeuki matak pikatajieun, ge-uning dunya téh lega, leg-gaaa... pisan. Kuring ngobroljeung urang Malaysia, Singa-pura, Jepang, Eropa, TimurTengah, bari ngalalancar basaInggris jeung basa Arab anudikursuskeun. Teu karasaméh sataun kuring nungguandaptar tunggu bari gawé diwarnét téh. Tah harita,sabada ngobrol jeung urangJepang, idé téh ngalalar dinapikiran terus digedékeunhaté. Idé téh ngagangguwaktu saré kuring da jadimindeng nyileuk. Nepi ka hijipoé mah, sabada solat Ma-grib, pok wé dibéjakeun ka BiKarsih sareng Mang Asip.

“Bi, Mang, Nining badéuih énjing,” ceuk kuring. BiKarsih katingali kerung.“Sapertosna mah moal ciosjanten TKI ka Arabsaudi téh.Nining badé di Ciwening waé,ngokolakeun usaha di Ciwe -ning. Nuhun kana sadayakasaéan Ibi sareng Emang.”

Mimitina Bi Karsih sarengMang Asip seueur naros. Tapisabada diterangkeun yén ku -ring aya karep pikeun ngoko-lakeun poténsi Ciweningjeung kampung di sabudeur -eunana dina pertanian, pang-pangna hui, aranjeunnangarojong. “Hui ti lembururang téh bénten sareng huianu dipelak di mana waé ogé.Urang Jepang, Malaysia, Sin-gapura, anu kantos ngaraosanhui Ciwening di Bali, ma -ranéhna deudeuieun.Maranéhna ka abdi nyung -keun dikintun conto, upaminyugemakeun pastina ogéngagaraleuh. Nining téh ho -yong ngical poténsi urangsapertos hui téa, sanés hargadiri urang.”

“Ibi jeung Emang ogésaenyana mah geus lilahayang mulang, Ning. Geu -ning gawé welasan taun di

kota ogé hasilna mah nganbisa ngontrak imah sagedékieu,” saur Bi Karsih. “Ibimah teu ngarti naon anu kuNining diucapkeun, tapi Ibingadoa mugia anu ku Niningdicita-citakeun sing tine -kanan.”

Peutingna kuring teu sarésakerejep-sakerejep acan.Anu kabayangkeun téh upluk-aplakna kebon hui, kem-bangna anu cul-cel pulaswungu disaput pepedutwarna bodas anu beuki ngi -pisan. Panonpoé henteusaukur nyorotkeun haneut,tapi ogé patinggurilapna cii-bun basa katebak anginngahiliwir. Isuk-isuk di Ci-wening aya ku éndah.

Kakara ayeuna kasawang,horéng Ciwening téh ngemupoténsi anu tanpa watesan.Hui anu upama diopen nga -luarkeun peueut (apan dise-butna ogé ‘si madu’ hui tiCiwening mah), kawentarhenteu waé di kota-kota di In-donesia, urang mancanagaraogé henteu saeutik anu katajisabada ngasaan di Bali atawaBatam. Cenah, hui anu rasanaamis legit siga hui Ciweninghenteu bisa dihasilkeun di na-gara mana waé ogé. UrangJepang kungsi datang ka Ci-wening, mawa binihna,nalungtik taneuhna, caina,tapi sabada dipelak di na-garana mah hasilna tetepbéda, henteu amis jeung legitcara anu dipelak di Ciwening.

Dua puluh taun jadi urangCiwening, kakara ayeunaningali poténsi hui pikeunasup ka pasar internasional.Komo upama pasar nya-hoeun, urang Ciwening mahleuwih percaya kana gemukkompos jieunan sorangan ti -nimbang gemuk kimia ti pa -brik. Komo upama pasarnyahoeun, kadaharan kaya -ning kiripik, keremes, dodol,ngan saeutik ngagunakeunbahan gula jeung bungbu,lantaran huina ogé rasanaamis.

Apa, Ema, dulur-duluranu séjén katut tatangga,ngabagéakeun basa kuringdatang. Sanggeus tatamumarulang, Apa neuteup ku -ring. “Iraha Apa kudu ngaleu-paskeun kebon téa?” saurnahalon, siga anu beurat ngu-capkeunana. Ku kuring di-rawu pananganana.

“Henteu nanaon, da geussakuduna kitu,” saur Apa deuibari ngusapan buuk kuring.“Geus waktuna Nining ma -ndiri, mikirkeun keur diri so-rangan. Salila sataun ogéditinggalkeun, ku Apa mahkarasana Ciwening téh ka -leungitan Nining. Itu ieu padananya, cenah pada kangen kaNining. Tapi henteu nanaon,da geus kitu kuduna, kitu ko-drat alamna.”

“Nining moal ka manana,Pa, moal ngantunkeun Ci-wening. Cita-cita Nining mahngokolakeun Ciwening,ngokolakeun poténsina, tang-tos waé sareng sadayanaurang Ciwening. Nining mahngan peryogi komputerpikeun modalna.”

Ema nangkeup, nyeung -ceurikan kuring. “Moal cioska Arab téh, Bageur?” saurEma bari rambisak. “Ema ogéteu rido saenyana.”

“Ka Arab mah kedah atuh,Ma. Ema sareng Apa ogékedah ka Arab, engké arimunggah haji. Atuh ka nagaraanu sanésna, Nining ngajamhiji waktos mah bakal ka ditu.Tapi sanés jadi babu, jadipembantu rumah tangga.Nining mah ka mancanagaratéh salaku pedagang, atawanganteur adi-adi ti Ciweninganu sarakola di ditu.”

Ema imut. Cai weningmaseuhan damisna.

“Ema mah teu ngarti naonanu diucapkeun Nining. TapiEma ningali anu éndah dinapameunteu jeung soca an-jeun, Bageur.”

**** Tanjungsari,

28 Desember 2013

Page 40: Mangle 2461

DDongéngAkiGuru

35. Reungit jeungLancah

Pasosoré, reungit cicing diluar, tiriseun. Tuluy asup ka jeroimah, ngarah haneut sakeu -deung-sakeudeung baé mah.Mimitina asup ka imah leutik,bogana urang lembur. Di dinyanempo lancah. Lancah téh apanmusuhna. Kabéh reungit kacidasieuneunana. Éta reungit hiberpindah tempat, asup ka imahgedong. Ari geus datang kadinya, bungaheun kacida lan-taran di dinya mah euweuh nusok nyieun ramat. Pokna,“Kacida ngeunahna cicing di ieukamar. Kami moal rék kaluardeui, rék cicing di dieu nepi kadatang usum katiga.”

Barang geus peuting, betloba damar, caang matak nga -bungahkeun. Tuluy éta reungitgegeleberan hiber, ngurilingandamar téa. Tapi teu lilajangjang na karérab. Éta reungitragrag kana damar tuluy paéh.Bororaah bisa nyaho ka usumkatiga, hayang ka poé isuk ogéteu nepi.

Hartina ieu dongéng:Lamun urang geus bisa nyingka-han hiji balai atawa picilakaeun,ulah pisan-pisanngabayangkeun geus salamettina rupa-rupa balai, lantaranari nu hirup mah sasat dikepungku balai. Saha nu talédor, pasticilaka.

36. Dua KapitingAya kapiting dua. Nu hiji

geus kolot ari nu hiji deui mahngora kénéh. Pok nu kolotngomong, “Manéh ari leumpangulah sok miring, kudu jejeg.”

Ari jawab nu ngora, “Ka-hayang mah kuring ogéleumpang téh hayang jejeg kahareup. Tapi ari prak dicobaanteu bisa. Cing atuh kuring paga-han ku anjeun.”

Ana heug nyontoan, miringdeui baé. Hartina ieu dongéng:Ulah sok ngageuhgeuykeun ka-cacadan anu lian, ari saruacacad mah.

37. Dua CiungDini hiji taun pareng katiga

anu pohara. Réa tatangkalan nuteu buahan. Kacatur aya duaciung, kacida langlayeuseunana,nahnay teunangan. Ceuk nusaurang ka baturna nu jagjagkénéh, “Cing sobat, cobaan hiberngubeng saideran deui mah.Sugan aya bubuahan, sangkanurang ulah lungsé teuing. Suganmeunang deui tanaga. Munmanéh meunang bubuahan, kir-iman kuring saeutik baé mah.Gancang, bisi kuring kaburupaéh langlayeuseun.”

Nu rada jagjag téh sangguprék ngirim lamun manggih re-jeki sarta manggih bagja.

Tuluy hiber néangantatangkalan nu buahan.

Kabeneran manggih jambubool keur buahan sarta geusasak kabéh. Pokna, “Lakadalah,ku ring jeung ki sobat meunangpi tulung”.

Sanggeus ngomong kitu, étaciung eunteup dina tangkaljambu, bari tonggoy nyatuanbuahna nepi ka seubeuhna.Lilana dina tangkal jambu ayasajamna. Panonpoé geus réksurup, ciung geus rék niat balikjeung rék ngirim ka baturna.

Tapi manéhna asa teunangankénéh, sarta inget baé ka buahjambu nu arasak, nu matak pi -kabitaeun. Lila-lila manéhnakasaréan. Inget-inget deui téhgeus isuk-isuk. Tuluy baé hiberngajugjug ka enggon sobatna nulanglayeuseun téa. Barang ka-panggih, geus paéh.

Hartina ieu dongéng: adatjelema mun geus manggihbagja, sok tara inget kana pi-cilakaeun jeung kasusah anuséjén.

38. Loba Nyiruan dinaGoci

Aya nyiruan loba pisan,ngagembrong goci nu dieusimadu. Angkeuhanana rékdiseuseupan, nepi ka réa anukalebuh, tigebrus kana madu.Barang rék hiber teu barisaeunda cipruk ku madu. Nyiruanpada sasambat, careurik,ngarasa yén geus deukeut kanaajalna. Ari nyiruan-nyiruan nusalamet, lantaran ati-ati, areun-teup dina biwir goci. Enya teupati seubeuh nyeuseup mah,tapi salamet teu tikunclung.

Barang rék indit haliberdeui, pok nyarita ka baturna nucarilaka téa, “Karunya mahkarunya euy, tapi bonganmaranéh. Naha atuh tadisaméméh nyeuseup teu dipiki-ran hésé jeung gampangnakaluar tina goci.”

Hartina ieu dongéng: Anusiga gampang disorang téh anageus disorang mah sok hésé ba-likna. Kadé ulah poho, pikiranheula, lantaran hanjakalna sokpandeuri. Tapi ari geuskaduhung mah dalah dikumaha.

Kudu ditiung méméh hujan.

39. Singa jeung BeuritAya beurit nu wani-wani

naék ka gigir singa nu keur saré.Singa kagét, tuluy nyaring sartabeurit téh dicapluk.

Beurit sasambat, “Duh jura-gan, mugi juragan ngahapuntenabdi. Abdi terang juragan téhgagah sarta gedé wawanén.Upami badé maéhan abdi, nuapes siga ayeuna, geus tangtu ki-rang saé kanggo kakongasanjuragan. Bakal nurunkeun dara-jat juragan.”

Beurit téh dihampura sartatuluy dilésotkeun. Pok singanyarita, “Ku aing dikencarkeunsotéh bakat ku karunya baé.Aing henteu ngarep-ngarepkana pamales manéh.”

Teu kungsi lila, Singa keunaku jiret. Ambek bari adug-adugan hayang leupas tina jiret,nepi ka béak tanagana. Batanlésot mah, éta jiret kalah kabeuki meulit. Gagauran mataksieun, nepi ka sato-sato séjénkalabur kataweuran. Ngan beu-rit téa anu teu sieuneun téh,malah nulungan. Gancangnyampeur keun. Jiret téh diségé-tan, nepi ka singa téh bisakaluar jeung ngencar deui. Singangarumasakeun, lamun teu dit-ulungan ku beurit tangtumanéhna bakal paéh, sarta ru-masa omonganana ka beurit téhsalah.Hartina ieu dongéng:Nyieun kahadéan jeung nyaahka sasama téh tangtu aya gan-jaranana, sanajan ka nu leutik.Ari sababna henteu mustahiljalma leutik nulung pisan ka nugedé.

PieunteungeunKénging: R.H. Muhammad Musa

39Manglé 2461

Page 41: Mangle 2461

Manglé 246140

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2461

Sok sanajan basa panganteurku basa Inggris tapi ayapenerjemaah na. Harita dina

poe panutup saderek steringkomite satengah helok nahapatarosan seueur ti birokrasimanan ti para seniman saursaderek Franki Raden dina GotraSawala tanggal 5,6,7 Desember2013 .

Saenyana upama ditembrak -keun mah pamaksudan bapa WakilGubernur Dedy Mizwar , jentrepisan harepan urang Jawa Baratmiboga punden berundak caraurang Peru, siga piramid Mesir nyadiwanohkeun ka saderekDR.Robert M. Schoch ti Yale Uni-versity nu kungsi ngareklamasipunden berundak di Peru Meksiko.

Numutkeun Prof.Dr Kathy

Foley ti Santa Cruz, California Uni-versity, yen dina urusan seni mahteu tiasa leupas ti sponsor, visi misisareng artistik jadi moal aya nuciatah. Walanda daek soteh mawagamelan Sari Oneng ka USA abadka 19 teh rek ngabewarakeun entehti Jawa Barat, visi misina mahekonomi, ari pelakuna mah urangParakan Salak.

Ari Kathy Foley kataji kupadalangan jeung kasenian Sundateh urusan rasa(batin). Jadi keururusan batin sewang-sewanganmah, saur Kathy , mahasiswa anulalajo pertunjukkan di kampusnateh sewang-sewangan mayar $ 15.-teu ciatah .

Kitu deui saderek Wim VanZanten, ahli tembang Cianjuran tiLeiden Unversity. Anjeunna ka-gungan rekaman tembang Cianju-ran nu tetep dina palenggeran.Kapan, kapan ayeuna mah barun-tak tina palanggeran nu disebuutwanda anyar, kreatif tea sigana teh.

Ari hadirna saderek Rob Vanden Bos sareng Eileen Bluemen-thal, pikeun ngukur seni budayaSunda ti Jawa Barat, naha biasatiasa jadi komoditas seni budayakeur masarakat Eropah? Diwalerku imut surti da salila ieu mahsaderek Rob teh nyandak seni Balijeung Jawa bae, teu mintonkeunkasenian sejen.

Budaya Jawa Barat kududimekarkeun, da dunya ge teusarubak jaman. Keur nyumponaneta urang Sunda (baca Jawa Barat)kudu boga gedung pertunjukkananu muat 3000 jelema, pusat ka-jian seni budaya Jawa Barat anu

leuwih lega batan gedungpertunjuk kan, pikeun ngawanoh -keun Sunda ka dunya luar.

Lembaga-lembaga atikan boh tiPAUD, SD, SLTP, SLTA bohpaguron luhur perelu aya gawerancage kumaha carana nerapkeungeneral education sangkan paramurid micinta seni, budaya, sartangahargaan karya seni budaya, sauribu Dirjen Kebudayaan dina kongreskebudayaan kamari di Yogya.

Jaga ka hareup mun Jawa Baratboga gedong pertunjukkan mahanu ngahirup huripkkeun budayaSunda teh murid urang nu jadigenerasi penerus bangsa. Nya kapara guru nitipkeun kabudayaansagigireun ka para seniman JawaBarat.

Wilujeng berjuang, hatur nuhunbapa Gubernur sareng Wagub “DediMizwar” nu mukakeun lawang bu-daya Sunda pikeun go international,pertunjukkan sendratari SasakalaSangkuriang anu kolosal dipinton -keun di gedong urang jaga, mugabae sing kitu. **

*) Ketua Lembaga BudayaSunda Unpas Bandung

41Manglé 2461

AAweuhan Pasundan

Budaya Sunda Sabada Gotra Sawala 2013Ku Prof. Dr. H. Asep Syamsul Bachri., M.Pd. *)

Numutkeun Prof.DrKathy Foley ti SantaCruz, California Uni-versity, yen dina uru-san seni mah teu tiasaleupas ti sponsor, visimisi sareng artistik jadimoal aya nu ciatah.

Page 43: Mangle 2461

Manglé 246142

GGedong Saté

Sakedap deui urang bakal ngayakeunpesta demokrasi (pemilu) taun2014. Suksesna pemilu 2014

gamantung kana gawe rancage sakumnaelemen bangsa dina ngalaksanakeunpemilu nu repeh rapih sarta mampuhngawujudkeun pamarentahan nuberkualitas jeung konstitusional.

Di dieu tangtu wae peran masarakat,utamana fasilitasi jeung bantuanpamaren tah daerah, boh PamarentahPropinsi atawana Pamarentah Kabu-paten/Kota, kacida diperlukeunana demisuksesna palaksanaan Pemilu 2014 soksanajan eta geus dibentuk lembaga hususpikeun ngalaksanakeun jeung ngawaslumangsungna pemilu saperti lembagaKomisi Pemilihan Umum (KPU) jeungBadan Pengawasan Pemilu (Bawaslu).

Bantuan jeung fasilitasi ti pamarentahdaerah teh bisa mangrupa mantuannanjeur keun aturan pemilu jeung nertib -keun kampanye, koordinasi, sarana jeungprasarana sarta mantuan lancarna wara-gad/ pendanaan pemilu keur ngungkulanbiaya-biaya dadakan / tidak terduga jeungnu teu “kageroh’ ku APBN.

Ngan hanjakal, lamun nilik kanalumangsungna pemilu atawanapemilukada saacanna, katitenna peranpamarentah daerah tacan maksimal dinangalaksanakeun fungsi fasilitasina.Samalah, aya keneh nu nganggappamaren tah daerah rek milu campur kanakawenangan KPU/ Bawaslu lamunpamaren tah daerah boga inisiatif milu aubmemfasilitasi penyelenggaraan pemilu.Tangtu ieu hiji anggapan nu kaliru, jeungkudu geuwat dikoreksi, dilempengkeun,jeung ditempatkeun sacara proporsionaljeung profesional. Hartina, kudu bener-bener paham kana peran fasilitasipamaren tah daerah dina palaksanaanpemilu sacara proporsional, nepi ka bisalumangsung sacara profesional.

Tah ku kituna sangkan aya kasapa-haman pandangan jeung nyieuhkeun rasamangmang sarta curiga kana fungsi fasili -tasi pemilu pamarentah daerah, kudu ayasosialisasi jeung diskusi nu daria ngeuna -an hal eta, nepi ka pemilu 2014 bisalumangsung kalayan lungsur-langsar

jeung nyugemakeun masarakat. Jeung nupangutamana mah, pemilu 2014 bisamedalkeun pamarentahan nu leuwih hadejeung leuwih efektif, aya karasana ka rayatjeung bangsa sakumna bangsa Indonesiasarta ngahasilkeun karaharjaan jeungkaadilan.

Aspek Normatif jeung EmpirikPelaksana an Fasilitasi dina Penyeleng-garaan Pemilu ku Pemeringtah Daerah

Dasar hukum palaksanaan fungsifasilitasi pemerintah daerah dina pemiludiatur dina pasal 126 Undang UndangNomor 15 Tahun 2011 ngeunaan Penye-lenggara Pemilu, nu nyebutkeun :

“Untuk kelancaran pelaksanaan tugas,wewenang, dan kewajibannya, Penyeleng-garan Pemilu, Pemerintah dan Pemerin-tah Daerah wajib memberikan bantuandan fasilitas sesuai dengan ketentuan per-aturan perundang-undangan”.

Bantuan dan fasilitas sebagaimana di-maksud pada ayat (1) berupa:

Penugasan personel pada secretariatPanwaslu kabupaten/kota, PPK, Pan-waslu kecamatan dan PPS;

Penyediaan sarana ruangan secre-tariat Panwaslu kabupaten/kota, PPK,Panwaslu kecamatan dan PPS;

Pelaksanaan sosialisasi; Kelancaran transportasi pengiriman

logistik; monitoring kelancaran penyeleng-

garaan Pemilu; dankegiatan lain sesuai dengan kebutu -

han pelaksanaan Pemilu.

Kegiatan lain sebagaimana dimaksudpadaayat (2) huruf f dilaksanakan setelahada permintaan dari PenyelenggaraPemilu.

Dalam keadaan tertentu Pemerintahdapat membantu pendanaan untuk kelan-caran penyelenggaraan pemilihan guber-nur dan bupati/walikota sesuai denganketentuan peraturan perundang-unda -ngan.

Dumasar undang-undang di luhur,tugas pembantuan atawa fasilitasi nu bisadibikeun ku pamarentah daerah nyaeta

bantuan personil kesekretariatan pikeunorganisasi penyelenggara jeung pangawaspemilu, penyediaan sarana jeungprasarana, palaksanaan sosialisasi, ban-tuan pengiriman logistik, monitoringjeung bantuan-bantuan lianna dimanadiperlukeun. Tah ngeunaan bantuankeuangan, sok sanajan jadi tanggungjawab pamarentah, tapi pamarentahdaerah ge bisa wae mantuan lamun ayaanggaran pemilu nu ngadadak/tidak ter-duga, teu ka-cover di APBN. Backup ban-tuan dana tina APBD, Upamana bantuansarana TPS jeung sarana pendukung,penam bahan honor petugas lapangan nuterbatas, jeung dukungan tambahan danakeur kegiatan sosialisasi pemilu di daerah.

Tapi, dina hal bantuan waragad/danaieu pemda kudu ati-ati jeung tetepnyoko/berpedoman kana PermendagriNomor 59 Tahun 2007 ngeunaan Pedo-man Pengelolaan Keuangan Daerah.Lamun pemda rek mere fasilitasi numang rupa bantuan hibah, bantuan tehhadena mah dirarancang heula kalayanjelas saluyu jeung paratarunana.

Lian ti bantuan dana, koordinasi jeunggawe bareng dina unggal tahapanpalaksana an pemilu ge kacida pentingna.Upamana dina hal nanjeurkeun aturanpalaksanaan pemilu jeung aturan kampa-nyeu. Contona wae, ku tereh deukeutnapemilu 2014, loba calon legislatif nu teutartib dina masang alat peraga kamapanyesaperti baliho, billboard, papan reklameatawa spanduk. Nurutkeun PeraturanKPU Nomor 1 Tahun 2013 ngeunaanPedo man Pelaksanaan Kampanye, Calegngan ukur dimeunangkeun masang hijialat peraga (spanduk) di unggalzona.Sedengkeun pamasangan baliho,billboard jeung papan reklame ngan keurpartey pulitik. Katangtuan zona pamasa -ngan alat peraga kampanyeu eta kudu ayakoordinasi jeung kasaluyuan antara KPUjeung Pamarentah Daerah. ParaturanKPU ge nyaram masang/napelkeun alatperaga kampanye dina fasilitas umumseperti tihang listrik jeung telepon, fasili-tas ibadah, rumah sakit, gedong pa-marentah, lembaga atikan, jalan protokoljeung jalan tol. Pamarentah Daerah kudu

Fasilitasi Pamarentah DaerahDina Penyelenggaraan Pemilu

Ku Ahmad Heryawan

Page 44: Mangle 2461

43Manglé 2461

apal jeung paham kana paraturan KPUieu. Ulah nepi ka pemda ngijinan masangbaliho jeung papan reklame ka para calegnu ngarempak paraturan nu geusaya.Pemda ge dipiharep mantuan nartib -keun pamasangan alat peraga nungarempak aturan, pemda ge boga haknyabut atawa mindahkeun alat kampanyekalayan teu kudu heula menta kasaluyuanti caleg atawa pamilon Pemilu.

Demi lungsur-langsarna pemilu ge,pamarentah daerah diperedih sangkan‘memfasilitasi’ nyadiakeun tanaga per-sonel PNS keur ngabantu kagiatankasekretariatan palaksanaan pemilu.Per-sonel PNS nu dimaksud kudu nu bogainteg ritas, gawena rancage, sarta mampungajaga netralitas.

Lian ti kitu, saluyu jeung undang-un-dang nu nyebutkeun yen pemda bisangalaksanakeun kagiatan lianna lamundipenta ku palaksana pemilu, pemda kuduterus siap sayaga milu memeres sagalaharungan halangan nu disanghareupanku penyelenggara pemilu. (boh KPU

atawana Panwaslu) di wewengkonna se-wang-sewangan.

KacindekanDumasar katerangan di luhur, atra

yen sakabeh tahapan palaksanaan pemilubutuh ku fasilitasi ti pemda, utamana tinahal administratif boh nu pakait jeungpenyediaan data kependudukan,pengelola an keuangan negara/daerah,atawana teknis pengadaan barang danjasa, sarta pertanggungjawaban penggu-naan keuangan negara/daerah nu duma -sar kana prinsip-prinsip jeung standarakuntansi keuangan negara/daerah.

Dumasar paraturan perundang-unda -ngan, boh nu sacara sepesifik ngeunaanpemilu atawana paraturan perundanganliainna saperti ngeunaan keuangan ne-gara, perbendaharaan, jeung pengelolaankeuangan negara/daerah (APBN danAPBD), dina konteks penyelengaraanpemilu, pamarentah daerah, boh pa-marentah provinsi atawana pamarentahkabupaten/kota, wajib memfasilitasi

jeung ngayakeun koordinasi teknis jeungKomisi Pemilihan Umum (KPU), KPUDaerah, jeung Badan Pengawasan Pemilu(BAWASLU), Bawaslu Daerah, jeung Pan-waslu dina ngalaksanakeun penyeleng-garaan pemilu sangkan sakabeh tahapanpemilu lumangsung kalayan lungsur-langsar.

Ku kituna, ngaliwatan forum pem-bekalan pikeun para Komisioner KPUKabupaten/Kota se Jawa Barat ieu, hayuurang sukseskeun Pemilu 2014 nu bakaldatang kalayan diniatan samata-matakeur ibadah, sarta pangabdian demi ka-majuan nusa jeung bangsa Indonesia ter-cinta.

Ku kituna sakali deui, urang kudubener-bener paham kana paraturanperun dang-undangan Pemilu, jeungparaturan perundangan liainna nu sacaralangsung atawa teu langsung aya pakaitnajeung penyelenggaraan pemilu . Sangkandijauhkeun tina sagala kamungkinan nubisa ngarugikeun jeung nurunkeun kuali -tas penyelenggaraan pemilu.***

Harepan JabarNalingakeun Kasehatan Masarakat

Pamarentah kabupaten/kotadipentes kudu daria dinangalaksakeun program Jaminan

Kesehatan Nasional (JKN). Kitu tehpenting supaya sakumna masarakathususna anu ‘teu mampu’ bisangarasakeun palayanan kasehatan anudilaksanakeun ku Badan Penyeleng-gara Jaminan Sosial (BPJS).

Anggota Komisi E DPRD JawaBarat Yod Mintaraga netelakeun,seriusna pamarentah kabupaten/ kotabisa dibuktikeun ku cara ngalokasi -keun anggaran pikeun pendaptaranmasarakat anu teu mampu sangkanbisa meunang JKN. Warga miskin diJabar téh nepi ka 19 juta jiwa leuwih,sakabehna ieu dipiharep bisa meunanglayanan JKN.

Diperlukeun anggaran Rp 4,4 tri -liun per taun sangkan sakabeh wargaanu teu mampu di Jabar bisa dilayananmake JKN.

"Ieu téh mangrupi tanggung jawabsasarengan, boh pamarentah puseur,provinsi, oge kabupaten/ kota," pokna.

Program JKN keur warga anu teumampu di Jabar ieu, pamarentahpuseur geus nyiapkeun anggaran Rp3,4 triliun. Jumlah ieu saimbang jeungwaragad premi keur 14 juta leuwihwarga anu teu mampu.

"Janten kinten-kinten 14,7 jutawarga miskin di Jabar tiasa dicover kupamarentah puseur. Warga miskin anuteu acan kacover aya kana 4,7 jutalangkung, tah ieu anu kedah dibiayaanku pamarentah provinsi sareng kabu-paten/kota," pokna.

Pamarentah provinsi, nurutkeunYod, dina APBD 2014 ieu geus ngang-garkeun Rp 92,6 miliar keur programjaminan kasehatan masarakat.

"DPRD ngarojong pisan kanatarekah nyukseskeun program JKN ieu.Katambihan deui DPRD téh toslamitatahar nyiapkeun perda perkawis jami -nan kasehatan masarakat," pokna deui.

Kusabab kitu, DPRD Jabar mihareppamarentah kabupaten/kota kudusumanget jeung tekad anu sarua dinaenggoning mere layanan kasehatan ka

masarakat. Yod miharep pisan sangkanpamarentah kabupaten/kota sagan -cang na ngadaptarkeun sakabeh wargaanu teu mampu sangkan bisa meunanglayanan program JKN.

Pamarentah puseur nargetkeundina 2019 hareup sakabeh wargaIndone sia bisa meunang layanan JKN.

“Sim kuring miharep warga Jabartiasa kenging layanan JKN ieu dinawaktos anu henteu patos lami, kumargikitu kedah aya kasariusan ti pemkab,tangtosna ge pembagian (pembiayaanpremi JKN) kedah proporsionalantawis pemkab sareng pemprov.Supa dos sadaya warga tiasa kenginglayanan, jadi JKN ieu téh tiasa karaosku sadaya warga Jabar, hususnaanuteu mampu," pikna pinuh harepan.

Ngeunaan kasiapan rumah sakitdina mere layanan program JKN,nurut keun Yod kudu aya hiji sistemregulasi anu ngatur hal ieu. Lian ti sisikalengkepan fasilitas rumah sakit,kudu aya oge paningkatan kualitassumber daya manusia.*** (AS)

Page 45: Mangle 2461

Manglé 246144

KKatumbiri

Universitas Siliwangi satahapdemi satahap ngamekarkeunpendidikan karakter ku cara

ngawangun Pusat PengembanganPendidikan Karakter. Éta lembaga téhlain saukur nyiapkeun pembelajarankarakter pikeun mahasiswa wungkul,tapi ogé dipiharepkeun bisa ilubiungngawangun karakter masarakat .

“Alhamdulillah, kiwari Unsil kaa-sup kana 10 paguron luhur di Indo -nésia nu meunang kapercayaannarima hibah pendidikan karakter tiDIKTI,” ceuk Réktor Unsil, Prof. Dr.H.Kartawan SE. MP, sabada ngistré-nan 1.104 urang wisudawan,ngawengku 71 urang ti Program Pasca -sarjana, 525 urang ti FKIP, 228 urangti Fak.Ekonomi, 67 urang ti Fak.Per-tanian, 137 urang ti Fak.Teknik, 62urang ti Fak.Ilmu Kesehatan, 9 urangti Fak.Agama Islam, sarta 5 urang tiFak.Ilmu Sosial & Ilmu Politik, dinaacara Wisuda Diploma, Sarjana jeungPascasarjana Périodeu Seméster Gan-jil Taun 2013/2014, sawatara waktu nukaliwat di gedong Mandala Unsil KotaTasikmalaya.

Tina hasil monitoring jeung éva -luasi Tim DIKTI, kanyahoan yénsagala tarékah nu dilakonan ku Unsilgeus medalkeun hasil anu ngaleuwi-han sakumaha nu jadi udagan pihakDIKTI. Samalah nu matak jadi tang-tangan anu gedé keur pihak Unsilmah, pamanggih ketua tim monitoringjeung évaluasi DIKTI, Prof. Dr. Ir.Widyo Nugroho Sulasdi, anu nyebut -keun yén (saha waé) nu rék diajarkarakter, diajar wé ka Unsil !

Prof. Kartawan ngémbohan, réapihak anu nyebutkeun, kiwari geuslumangsung dégradasi moral jeungleungi teun jati diri di kalangan gene -

rasi ngora. Ku sabab kitu, prosés pen-didikan di Unsil mah, di sagigireunprosés pendidikan keur ningkatkeunkapinteran inteléktual téh ogédibarengan ku tarékah ningkatkeunkapinteran sosial émosional jeungspiritual. Minangka jawaban kana pa-sualan réa sarjana anu ngaligeuh,Unsil geus laju mekelan para maha-siswana ku mata kuliah kawira -usahaan anu dirojong ku inkubatorbisnis.

“Alhamdulillah, hasilna téh diantara na aya mahasiswa nu geus bogausaha sorangan, saméméh lulus. Simkuring yakin, ku kapabilitas jeunginteg ritas kaélmuan nu dipimilik,bakal jadi salah sahiji bekel nyorangkompetisi global, boh pikeun nunyaliar gawé, nu muka usaha,sumawon na keur nu baroga karepnuluy keun nyuprih élmu,” pokna.

Minangka kamelangna ka para

wisudawan, Réktor Kartawan amanat,di antarana, malar para wisudawannurutan élmu paré anu mingkin eusimingkin tungkul (tawadlu). Kadua,singkahan jalan singget nu ngarempaknorma, kajujuran jeung ngagadékeunintegritas sarta tojaiyah jeung haté leu-tik dina tarékahna ngahontal kasuk-sésan.

Patali jeung tarékah pamekaranUniversitas Siliwangi, pihak Unsilkacida pisan nganuhunkeun sarengngajénannana ka Gupernur Jawa Baratjeung Walikota Tasikmalaya anu geusngabébaskeun 30 héktar lahan pikeunpamekaran Universitas Siliwangi.Mudah-mudahan baé Kepala BPNsagancangna ngaluarkeun sértifikat na,nu satuluyna bisa digunakeun keurnyumponan sarat nuluykeun prosésparobahan setatus Universitas Sili-wangi jadi Perguruan Tinggi Negeri(PTN).*** Uun Juharianti

Unsil Dipercaya Narima HibahPendidikan Karakter

Réktor Unsil, ngabagéakeun para wisudawan nu diistrénan (Unas/Manglé)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Page 46: Mangle 2461

45Manglé 2461

Diparbud (Dinas Pariwisata dankebudayaan) Kota Bandungbakal leuwih ngamekar keun

poténsi wisata jeung budaya nu geusnyampak, ngaliwatan léngkah-léngkahnyata tur neueul kana kapentinganbalaréa, di antarana ku cara gawébareng jeung pihak suwasta, sapertijeung pangusaha hotél, réstoran, sartatempat hiburan lianna sangkan wisata -wan nu datang ka Kota Bandungngarasa aya di tatar Sunda. Éta halditétélakeun ku Kepala Dinas Pari-wisata Kota Bandung, H. Herlan J. Soe-mardi SIp. MSi, ka Manglé di kantornasawatara waktu nu kaliwat.

“Dina raraga ngamumulé sarengngamekarkeun seni budaya, peryogipangrojong, utamana di masarakat nuraket hubunganana sareng pariwisata.Kasenian Sunda kedah dimumulé, ulahdugi ka leungit, malah kedah langkungdimekarkeun luyu sareung kabutuhanjaman. Hal sarupa kitu éstuning butuhkarancagéan para seniman sarengbudaya wan,” pokna.

Pamaréntah Kota Bandung mi-nangka pasilitator dina ngamekar keunpoténsi budaya, ceuk Herlan, metakeunihtiar geusan ngawanoh keun poténsi

wisata jeung seni ngaliwatansababaraha program, di antarana kungaaubkeun pihak pihak nu ayapatalina jeung Pariwisata, saperti parapangusaha hotél. Ka hareupna, di -piharep pangusaha hotél dina mapagtamuna maké musik anu nyunda.

Kabeungharan seni budaya Kota

Bandung anu dirojong kurancagéanpara seniman jeung budayawan téh ogékudu dirojong ku promosi. Pangusahawisata kudu milu mromosikeun senibudaya minangka salasahiji poténsiwisata. Promosi nu dilaksanakeun lainsaukur sacara nasional, tapi ogé inter-nasional.***cucu

Hotél jeung Tempat Hiburan

Kudu Nyunda

Warga KertasariDiidinan Melak Sayuran dina Lahan PTPN VIII

Kepala Dinas Pariwisata Kota Bandung, H. Herlan J. Soemardi SIp. MSi

Sanggeus pabéntar paham mare-butkeun lahan perkebunan diKampung Cirawa Désa

Cibeureum Kacatamatan KertasariKabupatén Bandung, antukna wargadiidinan melak sayuran jeung tangkalkai dina lahan PTPN VIII anu legananepi ka héktaran. Saméméhna, wargameredih sangkan éta lahan bisi dipimi-lik ku maranéhna, tapi teu ditedunanku PTPN VIII alatan éta lahan rencana -na rék dipelakan entéh.

Pabéntar paham ngeunaan étalahan teu cukup di kacamatan, tapi nepika dibawa ka DPRD Kabupatén Ban-dung. Malah Bupati Bandung,

H.Dadang Mochamad Naser, ogémeredih sangkan PTPN bisa wijaksanaku méré kasempetan ka warga pikeuntatanén di éta lahan. Papadaning kitu,warga ogé kudu leuwih komunikatipjeung PTPN. Bupati nétélakeun éta haldina kagiatan melak tatangkalan di Kp.Cirawa Désa Cibeureum KécamatanKertasari, sawatara waktu nu kaliwat.

Kawijakan PTPN, pokna, kudu di-aprésiasi warga ku cara ningkatkeunkamitraan jeung koordinasi. Sabab kuayana kawijakan ti pausahaan,masarakat Kertasari jadi bisa malaksagala rupa tatangkalan, saperti bung-buahan, sayuran, jeung tangkal kai.

Tuju an tina kemitraan taya lian pikeunnyingkahan ayana salah paham nuantuk na sok jadi papaséaan. Dadangmiharep, warga ulah babari kaprovo -kasi nepi ka maksa pikeun ngarobahseta tus lahan jadi milik pribadi. Dinaéta kasempetan, Bupati ogé nga-haturkeun nuhun ka Polrés Bandungjeung PTPN VIII anu gedé perha-tianana geusan nga héjokeun leuweung.

Kagiatan nu diluluguan ku PolrésBandung jeung PTPN VIII, salian tingaleuweungkeun deui lahan kritis téh,ogé bisa ngaronjatkeun karaharjaanmasarakat Kertasari jeung sabu -deureun ana.***nunk

Page 47: Mangle 2461

Manglé 246146

KKatumbiri

Fakultas Keguruan dan IlmuPendidikan (FKIP) Universi-tas Pasundan ti awal mula

ngadegna, boga tékad nanjeur -keun insan-insan anu punjul tur al-hakul karimah minangka udaganutama nu mulya. Sagédéngeuntugas pokona sapopoé ngatik nga-didik mahasiswa minangka hijikawajiban lembaga atikantéh,henteu ngan saukur nyitak paracendekiawankutieoriwungkul,tapibari dibuktikeun ku karya-karyajeung préstasina sangkan kataraayana tur karasa mangpaatna kusakumna masarakat. Ku kituna,sakumna civitasFKIP Unpas ogéteu weléh ngagedurkeun kagiatan-kagiatan sosial. Éta halditétélakeun kuDékan FKIP Unpas,Drs. H. Dadang Mulyana, M.Pd.,

dina acara bakti soasial sartatasya kur bi ni’mat FKIP Unpas, dikampus Fakultas PascasarjanaUnpas, Jalan Sumatra 41 Bandung,sawatarawaktu nu kaliwat.

Hadir dina acara, KetuaYayasan Pendidikan Tinggi (YPT)Pasundan, Drs. H. Makbul Man-syur, M.Si. jeung réngrénganpangu rus séjénna; Réktor Univer-sitas Pasundan, Prof. Dr. H. EddiJusuf.Sp., M.Si. M.Kom; parawakil réktor, para wakil dékan,para dosén FKIP Unpas, sartaréngré ngan staf jeung para tamuondangan séjénna. Dina éta acara,Dékan FKIP Unpas masrahkeunsantunan/kadeudeuhka 36 pantiasuhan nu aya di sabudeureunwewengkon kampus. Sarta

masrah keun béasiswa ka 36 urangmahasiswa berpréstasi, ogélayangpangajén ka 36 urang pagawé anugedé jasana tur geus némbongkeundédikasi jeung loyalitasna ka lem-baga.

“Pangna éta santunan sarengpangajén 36, margina taun ieuFKIP Unpas panceg 36 taun,” ceukDékan FKIP Unpas.

Dina raraga miéling milang kalaka-36, salian ti kagiatan baktisoasialtéh ogé digelar kagiatan-ka-giatan séjénna, saperti apréasiasiseni budaya sarta perlombaansababaraha cabang olah raga,kayaning badminton, pingpong,ngojay, balap lumpat, jeunggapléh.

Mun FKIP Unpas padangadeugdeug ti suklakna ti sikluk -na tur dipikawanoh ka jauhna,tangtu teu leupas tina sababaraha-hal. Hal nu pangutamananyaétapangrojong ti sakumna masarakatka ieu lembaga.FKIP Unpassalawasna ajeg panceg dina adeg-adeg luyu jeung udagan PaguyubanPasundan, nyitak insan-insanakademisi nu ahlakul karimah, turnapak dina tatapakan “LuhungÉlmu na, Pengkuh Agamana, turJembar Budayana”.

“Kapercantenan masarakat kaFKIP Unpas , tangtos jantenkareugreug sareng pamecutsumanget enggoning ngajagangariksa kualitas lembaga.Kapercanten na téh hiji amanah nusaéstuna kedah dipiara sahadé-hadéna,” ceuk Dekan FKIPUnpas.***nay

Tasakuran FKIP Unpas Babagi Kanyaah jeung Papada Dulur

Dékan FKIP Unpas, Drs. H. Dadang Mulyana, M.Pd.

Page 48: Mangle 2461

47Manglé 2461

Dina tungtung taun 2013 ka-mari, Pidangan Seni BaléRumawat Padjadjaran

Unpad geus nincak taun kalimanangayakeun rupa-rupa pagelarankasenian. Lian ti kasenian tradi-sional nu geus jadi ciri nu mandiri -na, pagelaran tiater (basaSunda-Indonésia), maca sajak, “re-sital piano”, kaasup padungdenganseni-budaya Sunda, keurseus bu-daya Sunda, jsb geus dilaksanakeundi gedong kasenian nu diadegkeunsarta ditaratas ku Réktor Unpad,Prof.Dr.Ir.Ganjar Kurnia DEA. Tang-gal 24 Désémber 2013, minangkapanutup ahir taun, dipagelar keun“Pop Sunda ti Mangsa ka Mangsa” diGraha Sanusi Hardjadinata, numidang keun para biduan taun 60-an,70-an, jeung 80-an.

Kagiatan seni nu dituyun lang-sung ku Réktor Unpad Prof.Dr.Ir.Ganjar Kurnia DEAtéh, dibuka kulagu “Panon Hideung” (IsmailMarzuki) nu mangsa harita di-haleuangkeun ku Mus DS, di Unpaddinyanyikeun ku Ujang Supriatna(juru tembang Cianjuran), kitu deui“Tongtolang Nangka” jeung “Tilil”nu baheula dihaleuangkeun kuNada Kantjana, di Unpad mah di-lagukeun ku Novi, Gilang, jeungDhika ti Tim Kasenian Unpad.Saterusna, “Euis” nu dilagukeun kuBing Slamet jeung Rita Sahara,dinyanyikeun ku Ujang Supriatnajeung Novi. Lagu “Mojang Pria -ngan” nu dicipta/dilagukeun ku IyarWiyarsih dinyanyikeun ku anjeunnalangsung da aya kénéh dikieunasarta jagjag kénéh.

Dina taun 60-an lagu-lagu nupopulé saperti “Teungteuingeun –Cing Tulungan” nu baheuladinyanyikeun ku Lilis Suryani, diUnpad dihaleuangkeun ku Jiean

(BJB), lagu “Ka Huma” nu di-lagukeun ku Ivo Nilakrhesnadinyanyikeun ku Ani (BJB), kitudeui “Bajing Luncat”, “Cikapun-dung”, “Tumbila Diadu Boksen”,jeung “Dikantun Tugas” nu baheuadihaleuangkeun ku Upit Sari-manah, di Unpad dihaleungkeunku Mae Nurhayati jeung IyarWiyar sih.

Lian ti éta, aya lagu nu jejerna Is-lami saperti “Sorban Palid”, kitudeui “Yaumal Kiamat” jeung “MujiSukur” nu dihaleuangkeun NadaKantjana jeung Diah Iskandar, di-haleuangkeun deui ku Novi, Gilang,Dika Wahyi jeug Ani (BJB). Lagu nujejernakulinér, kukawilangréadinaPop Sunda mah, saperti “Es Lilin”(dihaleunangkeun Tati Saleh)-diUnpad dihaleungkeun ku Rita Tila”,“Cai Kopi” (Lilis Suryani – di-haleuangkeun Novi), “PeuyeumBandung” (Elly Kasim- di-haleangkeun Jilean (BJB), “Boron-dong Garing” (Rudi Rusadi/LosMorenos) – dilagukeun kuUjangSupriatna, jeung “Tauco Cianjur”(Upit Sarimanah- dilagukeun kuYasin).

Dina antara mangsa taun 67-69saperti lagu “Ingkeun anu Abdi”jeung “Leungiteun” nu mangsaharita dinyanyikeun ku Tetty Kadi,di Unpad gé dilagukeun deui kuTetty Kadi. Dina taun 70-an nukawéntar teh lagu-lagu yasanaBimbo saperti “Koboy Kolot” , di-haleuangkeun deui ku Novi, pada-hal Kang Syam Bimbo gé haritarawuh, ngan moal nyanyi cenah gé,geus paroho, kamalum yuswanaparantos tengah tuwuh, ngan peu-peujeuh sangkan pamaréntahmerhati keun nasib para senimansangkan hirupna ulah sakaparan-paran. Tah, dina taun 80-an lagu-

lagu karya Nano Suratno saperti“Kalangkang” jeung “PotretManéhna” nu ngaraja téh di Unpadharita dihaleuangkeun ku NiningMeida jeung Adang Cengos. LaguPop Sunda taun 90-an harita di-wawakilan ku lagu “Anak Jéger” nudihaleuangkeun ku Darso,dinyanyikeun deui ku dinasti Darsonu ngawengku Asep Darso -UjangDarso– Yayan Jatnika(dina mangsajumenengna Darso dilélér ThePheno menon ku Unpad). PopSunda dina mangsa taun 2000-anmah rada eueyub dipidangkeun diUnpad, saperti “Curug Cinulang”(Yayan Jatnika), “Teuteup jeungImut” (Rita Tila), “Sésa Cinta” (duetRika-Rita)”, “Bangbung Hideung”(Rika Rafika)”, “Talak Tilu” (BungsuBandung)”, “Kabogoh Jauh”(Darso-dinyanyikeun ku DinastiDarso jeung sadaya panyanyi)”.

CeukRéktor, lagu pop mémangdipikawanoh jeung dipikaresep kubalaréa. Gampang diapalkeunana.Mélodina gampang diinget.Kaasuplagu-lagu Pop Sunda.“Genrena” géwarna-warni, aya “Genre Kawih”saperti karya-karya Mang Koko,jeung Pop Sunda nu makélirik/rumpaka Sunda tapi dipirig kualat musik Barat, salahsahiji conto -na “Ochi Chyornye” (MataHitam)dina lagu “Panon Hideung”ku rojongan ti Zarkov, senimanterah Rusia nu nganjrek di Ban-dung. Lagu-lagu Pop Sunda mé-mang loba dihaleungkeun ku sélérbangsa lian.Misalnabaélagu “Euis”dihaleungkeun ku Bing Slamet,“Peuyeum Bandung” ku Elly Kasim,“Ka Huma” (ku Ivo Nilakresna),Tuti Subarjo ngahaleuangkeun“Anteur keun”, sarta “SoranganWaé” dilagukeun ku OslanHusen.***Asép GP.

Pop Sunda ti Mangsa ka MangsaDipikaresep tur Dihaleuangkeun ku Sélér Séjén

Page 49: Mangle 2461

Dina sababaraha taun katukang,ramé diwartakeun ku sababa -raha média massa lokal atawa

nasional, soal kajadian macan tutulréa turun gunung, asup ka pamuki-man. Contona waé, diwartakeunsabaraha kali macan tutul di daérahpasisian Cianjur jeung Sukabumi, teuilahar turun gunung asup ka kam-pung, laju diburu jeung ditéwak kumasarakat.

Dumasar tina sajarah ékologiatawa sajarah lingkungan, sabener-namah macan tutul (Panthera pardus)nasibna henteu pati naas-naas teuing,saperti sato sabarayana anu disebutmaung lodaya atawa macan loréng(Panthera tigris sindaica). Kunaonkitu? Apan anu disebut macan tutulmah masih bisa survivekénéh di alamnepi ka kiwari. Padahal maung lodayamah enggeus tumpes di alam TatarSunda jeung tempat-tempat liana diPulo Jawa ti taun 1980-an.

Tapi, sanajan kitu, macan tutulogé nasibna kahareup mah jiganahampir bakal sarua jeung maung lo-daya. Bisa musnah ogé. Naon marga

lantarana? Kusabab kiwari sato ieu dialam nasibna beuki manghariwang -keun, jumlahna beuki nyirorot waé.Hal ieu utamana pangaruh paripolahjalma anu henteu wijaksana dina nga-mangpaatkeun alam lingkungan, ka -asup sato macan tutul. Kusabab kitu,henteu matak héran, jumlah populasimacan tutul di alam beuki ngurangan.Samalah di sababaraha tempat mah,macan tutul kacatet enggeus ludes.

Contona waé, dumasar hasilpanalungtikan, macan tutul enggeustumpur di wewengkon leuweungCagar Alam Pangandaran ti taun 1973.Kiwari, ditaksir populasi macan tutuldi Tatar Sunda tinggal nyesa disababaraha tempat, sapertiwewengkon leuweung GunungPapanda yan, Gunung Sawal, GunungBurangrang, Gunung Simpang, Gu-nung Tilu, jeung leuweung Gowék,DAS Cisokan Cianjur, anu rencana disabudereun leuweung ieu bakal di-wangun Pusat Pembangkit ListrikAnyar ku PLN.

Naha ku naon atuh populasimacan tutul téh beuki arangdi alam?Padahal sato ieu téh ti taun 1970-ankénéh ogé enggeus ditangtayungan kuundang-undang di Indonésia. Pon kitudeui, kiwari statusna leuwihditegeskeun, nyaétaditangtayunganundang-undang keanekaan hati jeungekosistem No. 5 taun 1990, reujeungPPna no.7 taun 1999. Kusabab kitu,kiwari macan tutul enggeus digolong -keun sato langka terancam musnah,ditangtayungan undang-undang, hen-teu meunang diburu, dijual beulikeun,dipiara, jeung diawétkeun secarabebas ku masarakat umum. Salian tiéta, macan tutul kacida pentingna diTatar Sunda, kusabab enggeus di-jadikan idéntitas fauna Tatar Sundaanu ditetepkeun ku Kaputusan Guber-nur Jawa Barat No.27 taun 2005.Samalah warga dunia ogé enggeus

ngarojong, di antarana ngalindungimacan tutul, dianggap sebage“endange red species”, diasupkeun kuIUCN kana daftar funa anu terancammusnah di dunia (IUCN Red List ofThreated Animals, Appendix 1 CITES-Convention on the International Tradein Endangered Species of Wild Faunaand Flora).

Gangguan Macan Tutul diAlam

Dumasar tina panalungtikan etno-zoologi, Urang Tatar Sunda, guyubnawanoh kana tilu rupa/jenis maungatawa macan, nyaéta maung lodayaatawa macan loréng, maungtotol/macan tutul, jeung maung kum-bang/macan kumbang. Tapi, panga -weruh Urang Sunda ieu rada bédajeung pangaweruh Barat (pangaweruhbiologi). Numutkeun pangaweruh bio -logi,anu tilu rupa macan éta, digolong -keun ngan jadi dua jenis atawaspecies. Kusabab, maung totol/macantutul jeung maung kumbang, sanajanwarna béda, saperti maung totol mahumumna tototol, sabalikna warnamaung kumbang biasana hideung.Tapi, sanajan kitu ku ahli taksonomibiologi, dua jenis sato ieu dianggapspecies tunggal, nyaétaPanthera par-dus. Di alam dua jenis sato ieu bisakawin, ngalahirkeun anak bisa mang -rupa kombinasi individu maung totolatawa maung kumbang, gumantungtina warna bulu anu muncul dominan.Kusabab kitu, kalangan biologinegeskeun réhna jenis maung uta-mana aya 2 species, nyaéta maung lo-daya (Panthera tigris) jeung maungtotol katut maung kumbang anu di -sebut Panthera pardus. Dua jenis satoieu kaasup Famili Felidae(famili jenis-jenis ucing). Macan tutul kakoncarasebutan dina basa Inggrisna, LeopardatawaPanther,atawa dina basaWalanda na biasa disebutPanther

Manglé 246148

MMimbar Atikan

Macan Tutul Turun Gunung? Ku Johan Iskandar

Johan Iskandar, dosen jeungpanalungtik lingkungan di Unpad.

Page 50: Mangle 2461

atawa Luipaard. Maung totol atawa macan tutul

nurut keun panyebaran ekologina ka-catet ngan aya di P.Jawa jeungP.Kangean wungkul, henteu aya diwilayah liana di Indonésia. Sajatinasato macan tutul biasana seneng milihhabitat di leuweung luwangliwung.Tapi, sanajan kitu, bari radahenteu galib, sato ieu biasa ogesawaktu-waktu ka luar ti leuweung.Contona, sakapeung macan tutulkatangen asup ka leuweung jati jeunglahan-lahan pertanian sisi leuweung.

Dina soal tingkah lakuna, sajatinamacan tutul biasa hirup milih di leu -weung buni. Dina waktu siang, macantutul biasa istirahat dina tatangkalankai gede atawa dina jero guha-guhabatu. Tapi, waktu peuting, macan tutulbiasa ngalayab atawa ngajalajah,juahna bisa sabaraha kilometer. Tapisanajan kitu, sato ieu dina mangsasaencan fajar, biasana balik deui kaleuweung tempat istirahat jeungpalindungan ana. Guyubna macan tutulseneng hirup nyorangan (soliter), tapisawaktu-waktu hirupna biasa ogé-pasangan. Hal ieu utamana lamunmacan tutul arék kawin dinausumnabirahi atawa usum kawin .

Naon anu jadi kadaharan macantutul di alam? Macan tutul ka koncaraku balaréa salaku sato galak. Rupa-rupa sasatoan di alam anu biasa di-hakan macan tutul, di antara bagong,beurit, peucang, mencek, monyét, lu-tung, manuk puyuh, cangéhgar, jeung

lalay. Kusabab kitu, sabenena mahlamun di leuweungna masih ceuyah kusasatoan, arang macan tutul turun gu-nung néangan kadaharan sasatoanpiara an urang désa. Macan tutul biasa -na narajang sato anu jadi mangsna lon-cat tina tangkal. Laju nyéréd mangsanadibawa naék deui kana tangkal.

Naha kunaon kiwari loba kabéja -keun loba macan tutul turun gu-nung?.Balukarna, warga désa biasangambek, ngaracun atawa ngajiret,newak hirup-hirup macan anu asup kakampung. Lamun dititenan, sajatinamah zaman baheula, hubungan macantutul cukup harmonis jeungwargadésa. Hal ieu marga lantarana, macantutul guyubna hirupna di leuweung

buni. Tapi, patani warga désa, lobakagiatan ana, saperti ngagarap lahantani di luar wewengkon leuweung buni.Salian ti éta, macan tutul mah biasaaktif ngulampreng dina waktu peuting,laju balik deui katempat istirahatnajeung palindunganana dina waktufajar. Sabalikna, penduduk desaguyubna sibuk ngagarap lahan tani,isuk-suk kénéh nepi ka beurang atawaburit. Kusabab kitu, dina kaayan nor-mal, arang kagiatan anu pacorok an-tara kabisaan kagiatanmacan tutuljeung kabiasaan kagiatan pendudukdésa. Hirup masing-masing sacaraharmonis, henteu saling ganggu.

Tapi hanjakal, kiwari mah parapatani, ngagarap lahan henteu cukupdi lahan-lahan tani di luar leuweung.Tapi, kabandunganana oge loba patanianu ngagarap lahan tani, sapertingahumangagalaksak di jero leu weung,naha leuweung produksi, saperti leu -weung jati, pinus, jeung sajaba na, kaasupleuweung palindungan.Lain etawungkul, sagala rupa sasaton leuweunganu biasa jadi kahakananmacan tutul,saperti bagong, peucang, kijang, jeungliana biasa diboro rame-rame kujalma.Balukarna, luas wewengkonleuweung beuki heureut, boh kitu deuisagala rupa sasatoan anu aya di leu -weung beuki nyirorot jumlahna. Ku -sabab kitu, henteu matak heran lamunkiwaribeuki remen kajadian macan tutulturun gunung.

Kajadian kurang ilahar ieu,sakuduna mah bisa dijadikeun indi -kator réhna, kasaimbangan lingkungandi ekosistem leuweung enggeus kangguserius ku tingkah polah jalma anu hen-teu bijaksana ngalindungan leu weung.Salian ti eta, ceuyahna kajadian ieu sa-tiap tauna, guyubna bareng jeungusum ngamimitian ngagarap huma dileuweung. Hal ie oge mere totonde,rehna pangaruh pahuma ngagarapleuweung, balukarnamacan tutul ogekapaksa ngalayab turun gunung asupka kampung, kusabab habitatna rusakjeung mangsana beuki arang.

Kusabab kitu, pikeun nyalamet keunmacan tutul di alam, jigana henteucukup ku ngalindungi ku un dang- undang wungkul. Tapi penting na gawéréréongan gotong royong sakabéhpihak, saperti pamaréntah, penduduk,jeung pihak liana pikeun ngalindungimacan tutul anu masih nyésa dialam.***

49Manglé 2461

Bedar, embe gunung anu ditewak kumasarakat di suku gunung Sinabung tanah

Karo poe Jumaah 17 Januari 2014

Macan tutul keur nekeman mangsana

Page 51: Mangle 2461

Manglé 246150

BBalé Bandung

Puluhan taun ka tukang, kuringnulis dina Mangle ngeunaan per-luna diayakeun keurseus

kabudaya an Sunda. Maksudna, ngatikmasarakat Sunda supaya wanoh kanakabudayaanana sorangan. Tangtu waenu dimaksud kabudayaan bieu teh,ngawengku sakumna daya manusaSunda enggoning ngajawab tangtanganjamanna. Jadi, lain wae ngawengkusaja rah, falsafah, kasenian, basa jeungkasusasteraan, tapi kaasup oge pulitik,ekonomi, hukum, atikan, lingkunganjeung daya kamanusaan umumna nubisa dipake ngajawab tangtangan jaman -na. Nu marilu kana eta keurseus, pang-pangna nu dipiharep tur bisadiandel keun mampuh ngarawat,ngariksa, mekarkeun jeung ngamaju -keun paradaban Sunda sarta ngaraharja -keun masarakatna. Upamana wae paraaktipis masarakat, para jurnalis, para pa-muda, mahasiswa, sarjana, kaom pulitisijeung calon kaom eksekutip nu bakalnetepkeun putusan penting di pa-marentahan.

Minangka model keurseus bieu, nyaKursus Ketahanan Nasional nudilaksana keun mayeng saban taun ku

Lemhanas ( Lembaga Ketahanan Na-sional). Udaganana, sarua numuwuh -keun katahanan paradaban, nunga bedakeunana, pangpangnaambahan ana boh materi palajarananaboh nu mariluna. Keurseus nu di-ayakeun ku Lemhanas tangtu waengambah masalah-masalah nasional,kitu deui nu mariluna oge utusan tisakur propinsi. Ari Keurseus Kabudaya -an Sunda mah kawatesan ngabahasmasalah lokal, atuh nu mariluna ogengan ti tatar Sunda wungkul ( PropinsiJawa Barat jeung Propinsi Banten).

Nu DiajarkeunTujuan ngayakeun Keurseus Kabu-

dayaan Sunda teh, ngahasilkeun kader-kader kasundaan nu mampuhngusikkeun masarakat Sunda enggo -ning ngajawab tangtangan jaman dinasaban sektor kahirupan. Kukituna, nu di-ajarkeun dina keurseus bieu teh lainsaukur palajaran nu nambahan panga -weruh wungkul, tapi nu mampuhnguatkeun kasadaran sarta mukakeunwawasan ngeunaan kasundaan di te -ngah-tengah dinamika paradabansejen na boh nasional boh dunya.Cindek na, numuwuhkeun “kasadaranideologis” di kalangan kader-kader ka-sundaan.

Sababaraha palajaran ngeunaan ka-sundaan nu perlu ditepikeun, upamanawae sajarah, falsafah, kasenian, pulitik,pamarentahan, ekonomi, basa jeung ka-susasteraan, aneka ragam hayati, geog -rafi, antropologi, sarta capita selectapangwangunan Propinsi Jawa Baratjeung Banten.

Tangtu wae, minangka kaderkasunda an, nu marilu keurseus teucukup saukur meunang pangaweruhwungkul, tapi perlu oge meunangpalatihan, upamana wae, nu poharapentingna, ngeunaan kapamingpinan.Satuluyna, alumni keurseus boga “PR”

mangrupa pangabdian marakat di tem-pat asalna, atawa masarakat sejenpilihan ana. Garapanana gumantungkana karep sewang-sewangan, upamanaaya nu ngusikkeun masarakat dinawidang lingkungan, ekonomi, pulitik,kasenian jeung sajabana. Pangalamanpangabdian masarakat saban alumnibieu, engke bisa dijadikeun bahan studikeur nu marilu keurseus taun hareupna.

HarepanMemang, nepi ka kiwari, impian bieu

teh tacan bisa kalaksanakeun. Eta oge,sabagian mah kungsi katedunan, nyaetabasa babarengan jeung Sundanologi,nu harita dipingpin ku sajarahwan EdiEkadjati, ngayakeun Keurseus SajarahSunda nu mayeng diayakeun di GedongMerdeka, Bandung.

Kadieunakeun, alhamdulillah, geu -ning culcel nu ngayakeun keurseuskabudayaan Sunda, upamana wae nu di-laksanakeun ku Masarakat Jawa Barat diJakarta, kitu deui nu dilakukeun kuMasarakat Sejarah Indonesia (MSI) nudikokojoan ku sajarahwan Nina Lubis.Atuh Unpad oge, nu dikokojoan kurektor na, Ganjar Kurnia, ngayakeunkeurseus kabudayaan Sunda keur paracalon anggota legislatip. Satuluyna ka-giatan nu sarua dilaksanakeun oge kuAkademi Budaya Sunda nu dimotoranku Yayat Hendayana saparakanca.

Tacan aya pangajen ngeunaansakumna kagiatan bieu teh. Upamanawae, kumaha ngararancang materipalajaran ana, nepi ka mana kaajegankalumangsunganana, geus nepi ka manadampakna ka masarakat jeung sajabana.Tangtu wae, ari harepan mah, asal bisakajaga ajenna, tambah rea nu ngayakeunkeurseus kabudayaan Sunda, nya kaitungbakal gede mangpaatna keur sakumnaurang Sunda nu samistina ayeunababarengan dokdak kuriak ngamajukeunparadabanana.*** Karno Kartadibrata.

Keurseus Kabudayaan Sunda

Page 52: Mangle 2461

51Manglé 2461

Page 53: Mangle 2461

Manglé 246152

Sakumaha ilaharna nu rék hajat, diimah Bapa Mahmudin jeung IbuSamsiah, pangsiunan mantri guru,

di imahna keur kekeprek barangjieunrupa-rupa kuéh, kayaning kuéh bolu,saroja, wajit ketan, ranginang jeung réa-réa deui. Kulawarga Pa Mahmudin téhkira-kira pisaminggueun deui rékngawinkeun Néng Fitri, anak bungsunanu anyar kénéh dibenum jadi guru SDCimacan, teu sabaraha jauh ti lemburmatuhna.

Ibu-ibu kadéngé ramé di dapur,nyieun rupa-rupa kadaharan nu bisadililakeun. Sedeng ari bapa-bapa mahaya nu nampolan suluh, sawaréh nge-cet pager jeung imah. Sawaréh deuikeur nyieun panggung tina kayu balokkeur pertunjukan orgen tunggal, mi-nangka hiburananana tamba tiiseunteuing. Atuh engé téh cenah, mentasIsa bakal diteruskeun ku acara cera -mah Bapa Kiayi meunang ngondang tinu anggang.

Ari calon pangantén lalakina nyaétaJang Hasanudin urang Leuwiliang nukiwari geus mancén gawé di kantor

kaca matan. Ti Leuwiliang ka Ciamis téhjauhna kaitung meujeuhna, kira-kiralalampahan sapuluh jam perjalananmobil. Antara pihak calon panganténlalaki jeung pihak calon panganténawéwé geus sapuk yén akad pernikahanrék dilaksanakeun poé Ahad, minggukatilu bulan Maret. Kitu deui suratonda ngan ku pihak calon panganténawéwé geus disebarkeun ka dulur-dulurjeung koléha Pa Mahmudin.

Sapopoéna Néng Fitri katémbonggumbira, duméh cita-cita hirup rumahtangga ngambah sagara kahirupananyar nu jadi implengan para rumajamoal lila deui bakal kauntun tipungkatambang béas. Teu beurang teu peu -ting Néng Fitri gawéna téh cilingcingcatbaé kaluar ka jero bari ngobrol dina HPjeung buah haténa nu aya di alak paul.Sakapeung manéhna katémbong imutngagelenyu, tapi sakapeung jamedudsemu ogoan. Jigana diélég ku calonsalakina ti beulah ditu. Ma’lum ceukDarso téa mah, kiwari mah sanajankabogoh jauh ogé bisa ngobrol unggalmenit, malah unggal detik, asal kuat baé

ngeusian pulsana.Kacaritakeun dina poé Ahad nu geus

dipasinikeun ti anggalna, di imah NéngFitri jalma nu rék nyaksian akad nikahgeus ngaliud. Aya nu dariuk na korsi, ayaogé nu pulang anting ka jero imah.Orgen tunggal nu bakal mirig biduan nungahaleuangkeun lagu-lagu cinta nukeur meujeuhna dipikaresep ku para ru-maja, boh di kota boh di palemburan,keur tatan-tatan nyiapkeun sagala rupa -na. Atuh kitu deui calon panganténawéwé keur dirias ku Ibu Hajah Mamah,tukang rias nu geus kasohor. Rombo -ngan nu rék mapag calon pangantẻnlalaki geus ngajéjér ti buruan nepi ka ga-pura nu aya di sisi jalan. Sapasang hia -san janur kuning katémbong uyan-ayunkatebak angin jiga sapasang manukjapa ti nu keur hiber silih udag di awang-awang. Tamba tiiseun teuing saméméhprung orgen tunggal, kadéngé musik de-gung tina kasét ngagelik matak kelarkana ati.

Harita téh geus jam salapan kurangsapuluh menit. Néng Fitri keur uplekngobrol jeung bébénéna dina HP.Heuleut lima menit ti harita, Néng Fitriteu puguh-puguh ngajerit bari manẻhnakatémbong adug lajer bari sasambatakang-akangan.

“Bapaaaa.... tuluuuung! aduh,kumaha ieu???” ceuk Néng Fitringagareuwah keun sakur jalma nu aya didinya, utamana mah ibuna nu ti tatadingababanding. Teu kungsi lila, les....Néng Fitri kapiuhan, teu inget di bumialam.

Nempo kitu, Ibu Samsiah jadikabawakeun teu éling. Keur kitu torojolPa Mahmudin nyampeurkeun anakjeung pamajikanana.

“Ibuna....éling atuh...aya naon ieutéh?” ceuk Pa Mahmudin bari ngageu-big-geubig awak Ibu Samsiah nu mimitingulisik.

“Du....ka atuh Bapa...taros baé SiEnéng...,” témbal Bu Samsiah barimaksa keun cengkat. Pa Mahmudinngageubig-geubig awak Néng Fitri nucan sadar kénéh baé. Keur kitu HP PaMahmudin disada sababaraha kali. Tapibakat ku kaweur, Pa Mahmudin teumaliré saeutik-eutik acan kana HPna.Untung di dinya téh aya Jang Burhan,anak lanceuk Pa Mahmudin nu kakara

CCarpon Rumaja

Titis TulisKu A. Yahya Héryanto

Page 54: Mangle 2461

53Manglé 2461

jadi duda genep bulan ka tukang lan-taran ditinggalkeun maot ku pamajikan -ana. HP téh geuwat dirawél ku JangBurhan.

“Hallo... siapa ini?” ceuk JangBurhan.

“Halo! Bisa bicara dengan Pa Mah-mudin?” ceuk sora ti ditu.

“Ya... saya sendiri... bapa ini siapa?”Jang Burhan ngabohong.

“Saya Kapolsék Cacaban inginmengabarkan kepada Anda bahwa rom-bongan calon pengantin dari Leuwiliangyang akan menuju rumah Bapa diCiamis tabrakan dengan truk semén.Dua korban téwas di tempat, yaitu sopirdan calon pengantin, sedang yang lain-nya luka-luka......”

Sanggeus Néng Fitri leler, kitu deuiBapa jeung Ibu Mahmudin, JangBurhan kakara ngabéjakeun kajadian nusabenerna. Sakur nu araya di dinya lobanu tinggaroak, milu ngarasakeunkasedih Néng Fitri jeung kulawargana.

“Kumaha atuh ieu téh, Mang?” ceukJang Burhan anu watireun ka Pa Mah-mudin.

“Ari bapa Ujang di mana?” Pa Mah-mudin kalah ka malik nanya.

“Aya Mang...di luar,” témbal JangBurhan pondok.

“Sina kadieu...urang ngobrol dikamar,” ceuk Pa Mahmudin bari nyusu-tan cipanon nu ngalémbéréh.

Teu lila, Pa Solihin, lanceukna Pa

Mahmudin datang. Geus kitu adilanceuk téh silih rangkul, ceurikpaungku-ungku disaksian ku JangBurhan nu sarua ngingsreuk.

“Kang...kumaha ieu abdi? Watir kaSi Enéng. Tada teuing gudawang haténa,duméh rék panganténan bet bedo...ala-tan meunang musibah...,” ceuk Pa Mah-mudin bari nyuuh kana lahunanlanceukna.

“Sabar baé Adi...mana kieu gé geustitis tulis ti ajali, yén Si Enéng teu parengkajodokeun ka Jang Hasanudin. TapiAkang percaya, Alloh moal ngantep. Isukpagéto ogé Si Enéng baris meunangjodona.....,” témbal Pa Solihin baringusapan tonggong adina.

“Tapi... tapi abdi ngaraos wirangKang...tamu anu pasti bakal ngaliudna,pasti bakal mencrong ka abdi kabéh.Wiwi rang abdi moal katutupan, kitu deuikeur Si Enéng. Lamun poé ieu teu dilak-sanakeun akad pertikahan...,” ceuk PaMahmudin bari segruk deui ceurik ban-gun kanyenyerian.

“Nya...kumaha atuh? Da ari néanganpijodoeun téh teu gampang kawasmalik keun dampal leungeun,” témballanceukna bangun nu bingung kacida.

“Kumaha atuh lamun kieu Kang...,”ceuk Pa Mahmudin bangun asa-asa.

“Cing tah, kumaha kira-kiracarana...?” témbal Pa Solihin.

“Kieu Kang...” saterusna Pa Mah-mudin ngaharẻwos ka lanceukna,”

Kumaha mun Si Enéng téh urangjodokeun baé ka Jang Burhan...,” ceukPa Mahmudin bangun nu leungit kaéra.Sakedapan mah Pa Solihin ngadonngahuleng ngaraga meneng. Teu lila pokPa Solihin nyarita.

“Nyaa...ari Akang onaman moalngorétkeun, ari duanana daraékkeunmah. Ayeuna mah kieu baé atuh, Akangrék nanya ka Si Burhan. Lamun téa mahbatu turun keusik naék, nya prung baéurang tikahkeun.”

“Alhamdulillah... nuhun Kang pamiAkang nyaluyuan mah,” témbal Pa Mah-mudin rada bérag.

Geus kitu mah adi lanceuk téh ngob -rol jeung anakna séwang-séwangan dikamar nu béda. Teu pati lila, duananageus kalaluar deui bari paromanna semunu ngemplong.

Keur jang Burhan mah sasat teungimpi-ngimpi acan, poé harita barisngaréndéng panganténan jeung NéngFitri kapiadina. Geus aya kasaluyuan tidua pihakanana mah, acara akad tikahtéh prung baẻ dilaksanakeun kalayandisaksian ku para ondangan nu geusmimiti rabul daratang.

Sakur nu hadir, sanggeus ngadéngéijab kobul dikedalkeun, kabéh muji sukurka Alloh Robbul Gofur, bari sakabéhnasadar yén jodo pati, bajga cilaka téh ukurAlloh nu uninga. Kabéh nu hadir taya nunyangka yén Jang Burhan poé harita bakalngajodo ka Néng Fitri.***

Nami lengkepna Lany Andini Nurfitradéwi. Dibabarkeun di Bandung ping 25Désémber 1998. Lany téh nunggal, putri pasangan Bapa Rass Roestam Bélla D sarengIbu Srie Dini Indriyati.

Lany téh lian ti keur naratas dunya poto modél, geuning kawilang rumaja putrianu boga ciri mandiri. Rumaja anu cita-citana palay janten arsitéktur ieu, horéngkacida pisan ngahargaanana kana kajujuran jeung tanggung jawab dina kahirupan.

“Margi tina kajujuran bakal tiasa medalkeun katengtreman. Bénten deui upamiurang hirup dina kapalsuan, seueur bohong, pasti kadituna ogé, dina sagala rupinaogé moal leres,” ceuk mojang geulis anu pangawakanana 162 cm/ 48 kg ieu bari imut.Dina widang seni, lain ukur seni dipoto, Lany ogé sihoréng resep nyanyi. Upami dinawidang olah ragana, Lany téh mikaresep olah raga baskét. Mojang geulis nu geussababaraha kali milu lomba jeung jadi juara ieu téh resep nongton pilem komédi.

Lany anu resep nuang nasi goréng ieu, kungsi asup jadi unggulan ka-1 dina LombaBusana Batik taun 2012.

Kacipta payusna. Geulis, loba kabisa, bari pinter gaul, geus kajudi pasti bakal lobanu mikaresep.

“Abdi mah, upami diparengkeun, palay tepang téh sareng jajaka jujur sareng tang-gung hawab,” ceuk Lany anu bumina di Komplék Griya Winaya A5 No. 34, UjungBerung, Bandung ieu, mungkas wangkonganana jeung MR. ***(Naskah: Narti/ Poto:Kang Réisyan)

Page 55: Mangle 2461

Manglé 246154

KKolom Rumaja

Kangaranan musibah, teu dinagara urang teu di nagaradeungeun. Teu ukur di

wilayah nagara nu keur ngawa -ngun, tapi ogé bisa kajadian di na-gara maju. Musibah Tsunami Acéhsababaraha taun ka tukang, kaja-dian bedahna situ di Tangerang,musibah Merapi, lini di Jogjakartajeung Tasikmalaya. Panganyarnabanjir di Wasior jeung tsunamiMentawai. Patingjelegur, pating-gulidag, patingsaléor matak gimir,matak ketir. Taya deui dayamanusa iwal ti kudu bisa, kuatjeung tawekal dina nyang -hareupan ana.

Kajadian anu anyar pisan, nga-jelegur di nagri sakura. Jepang, na-gara anu kawentar maju dinatéknologi jeung ahli dina nga -wangun bangsana jadi hiji nagaraanu dipikasérab di dunya, dinawaktuna meunang musibah mahteu bisa manggapulia. Tsunami nungaléléd di wewengkon Séndaijeung sabudeureunana, hiji buktiyén murka alam teu bisa diben-dung ku kamajuan téknologi. Dinakakawasaana-Na téknologi bisakaléléd tsunami. Teu kurang tialarm jeung alat-alat séjén tandapanginget ka manusa kana bahayatsunami, tetep teu bisa meperngagulidagna cai laut anu jungkir-ingna harita antara 8 nepi ka 10méter. Nilik tina jangkungna cai nungagulung ngalétak daratanJepang harita, bet asa pamohalanmanusa bisa lumpat tinaamukanana. Allohu Akbar.......seugurang Jepang arapaleun kana la-padz éta, moal teu handaruananaéta sora takbir di sakuliah Jepang.Tapi duka naon anu dilapadzkeun

ku maranéhna mangsa kakawasaanAnjeun-Na nguwak-ngawik ka-mandirian éta bangsa pabrik mobiltéh.

Hiji hal anu pasti, sakur musi-bah anu kajadian di dunya, pastiaya “sutradara” anu nyababkeun -ana. Saréatna, alam anu mimiti teusaimbang alatan manusa anu sokloba poho nyebut asma-Na.Manusa umumna boga watek gedéangkeuh, asa aing pangbisana, asaaing pangpinterna, asa aing pang-beungharna. Manusa sakapeungpoho yén daya upayana ngamuaraka takdir Manten-Na. Taya hiji ogékajadian di alam ieu anu lain guratti Anjeun-Na. Jadi kahékatna mahsidik, hirup-hurip manusa téh ayaanu ngatur. Jodona, patina, bagja -na, cilakana, anging Anjeun-Naanu Maha Kawasa.

Urang salaku bangsa anu di-takdirkeun “wawuh” kana ayat-ayat suci Nu Maha Kawasa, tangtukudu bisa neuleuman tur nyurahansakur musibah anu karandapan.Moal samangsa-mangsa Gustimapa rin hiji musibah lamun tayahikmah satukangeunana.

Mudah-mudahan waé bener,yén bangsa Jepang ogé kadieuna -keun mah kabéjakeun geus mimitiloba anu ngagem agama Islamatawa agama-agama samawiséjénna. Hartina, tina kitab sucinaon baé, geus loba di antara urangJepang anu mimiti beunta yénhirup-hurip manusa téh darmawawayangan baé. Kamandirianbangsana tangtu lain sagala-galana. Saluhureunana aya “causaprima” anu boga hak prérogatiftunggal pikeun ngusik malikkeunsakur mahluk nu nyawaan ciptaa -

na-Na.Sabalikna urang, salaku

bangsa anu kacaritakeun geus tibaheula mula apal kana rupa-rupa ajaran agama jeung kayaki-nan, tangtu ceuk tadi gé kudubisa leuwih teleb narima hikmahtina sakur musibah. Mudah-muda han urang ogé jadi miluleuwih “bareunta”, leuwih sadaryén kahirupan urang kabéh geuslamokot teuing ku dosa.

Ti luhur nepi ka handap, ti sisikénca nepi ka katuhu, ti jero nepika luar, sakujur awak urang,sakumna séké sélér bangsa urang,kudu geus mimiti bebenah “haté”.Sadar yén hirup ukur saayeunaeun.Aya alam langgeng nu kudu ogéjadi perhatian urang saréréa.Kacida dipahingna poho kaakhérat, tapi moal matak hadé ogélamun urang teu dudunya. Lan-taran, rék kumaha tengtremibadah, lamun bubutuh pokosalaku manusa kékéréhét. Intina,kudu saimbang antara perhatianurang kana kahirupan dunya jeungakhérat.

Pikeun para nonoman, mudah-mudahan sakur kajadian di nagaraurang sing bisa jadi eunteung,pibekeleun hirup geusan jaga nga-heuyeuk ieu nagri. Ka saha deuigenerasi kolot mihapékeun nagarajeung bangsa ieu lamun lain kagenerasi ngorana. Ku kituna, geuswaktuna para nonoman natahar -keun jiwa raga, jasmani rohani anuséhat. Séhat awakna, séhat kolbu -na. Pinter otakna, pinter haténa.Mémang teu gampang jadi manusaparipurna, tapi anging Alloh, tayahal anu mustahil. Komo lamuntujuan ana kana pihadéeun.***

Darma WawayanganKu Gemi Nastiti

Page 56: Mangle 2461

55Manglé 2461

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Rewog barangdahar4. Ngaran pupuh7. Pituduh gaib9. Ganti11. Alat kalengkepan olahraga12. Nyanyi duaan14. Kuluwung gedé jalan cai16. Akademi Ilmu Keuangan17. Kuring (Arab)18. Dulur sahandapeun21. Ngaran lauk23. Nuduhkeun ka nu deukeut24. Paragi supaya caang27. Lalaki ngora30. Senang-senang (baca dua kali)31. Talatah

KA HANDAP:1. Pamingpin2. Hamo, bakal henteu3. Panjara4. Wadah susuratan5. Senang6. Ninggalkeun lembur7. Bangsa Amérika8. Ukuran lega10. Anak lanceuk13. Sasadu15. Kalakuan

19. Gelaran keur sarjana awéwé20. Wakca22. Waktu solat25. Ngadu26. Geus teu hujan28. Mahluk gaib29. Kantor Urusan Agama

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1427. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lo-daya 19 Bandung 40262 paling leuir duaminggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1425:

1. Intan Ayuning GhaisaniKelas II SMP Negeri IJl. Kesatriyan No. 12Bandung

2. Bambang RiyantoJl. AH. Nasution 174/54Bandung

3. Dede AniSMK RancahCiamis

1427K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1425

Page 57: Mangle 2461

Manglé 246156

LLempa Lempi Lempong

“Kudu nungguan nepi ka April,Lo.”

“Nu harayang jadi anggotadéwan, Mang?”

“Éta di antarana.”“Nu optimis jeung nu pesimis

angger kudu nungguan April,Mang.”

“Enya, ngan tataharna mahapanan ti ayeuna. Malah geus tirada béh ditu mula, Lo.”

“Mangkaning nungguan téa sokaya kesel, Mang.”

“Kesel kénéh nu ngarungsi.”“Nu ngarungsi alatan musibah

caah, Mang?”“Enya.”“Lain kesel deui, tapi prihatin,

sedih, jeung ketir, Mang. Hirup dipangungsian bari imah ruksakkakeueum ku cai.”

“Mangkaning nepi ka bulanApril cenah, Lo.”

“Nepi ka bulan Aprilngungsina, Mang?”

“Wallohualam ngungsina mah.”“Har?”“Ieu mah ceuk prakiraan cuaca,

cenah ditaksir usum ngijih téhbakal nepi ka bulan April. Sartapoténsi musibah caah masih kénéhgedé.”

“Ambuing.”“Tong boro nu keuna ku musi-

bah, pan urang ogé ngarasa keselanu terus ngecrek baé hujan mah.Rék iinditan téh réa kateugna.”

“Enya, Mang. Hayang buru-buru April ari kitu mah uing gé.”

“Hayang buru-buru bérés usumcaah, Lo.”

“Enya. Hayang buru-burunyaho deuih.”

“Nyaho naon, Lo?”“Nyaho hasil pemilu, sarta saha

baé anu bakal manggung jadi

gegedén.”“Oh. Ari sugan téh....”“Sugan téh naon, Mang?”“Sugan téh hayang buru-buru

ngoléksi kaos urut pemilu.”“Heuheuy.”“Tapi aya nu leuwih penting

tibatan nungguan datangna bulanApril, Lo.”

“Naon deui, Mang?”“Nungguan buru-buru bérés

usum musibah, sangkan kahiru-pan urang bisa normal deui. Sartanu keuna ku musibah bisa nguni-ang deui kahirupanana. Mun bisamah ulah kudu nungguan nepi kabulan April.”

“Enya.”“Lian ti ulah nungguan nepi ka

April téh....”“Naon deui, Mang?”“Mun bisa mah heup wé musi-

bah téh, pangpangna musibahcaah, ulah datang deui dinamangsa ka hareup mah.”

“Kudu dibarengan ku gawé nudaria, Mang. Kudu babarenganngoméan atawa ngabebenah deuialam jeung lingkungan.”

“Énténg bangga puguh, Lo.”“Énténg bangga kumaha,

Mang?”“Énténg ngomongna, bangga

ngalaksanakeunana.”“Nya urang keureuyeuh wé,

Mang. Sangkan ulah teterusan di-tarajang musibah.”

“Satuju.” ***

Nungguan April