Mangle 2478

57

Transcript of Mangle 2478

Page 1: Mangle 2478
Page 2: Mangle 2478

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL

PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata, Ny. Hana

Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang

R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA -

RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORES PONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-

marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky

M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.

Dina pilihan legislatif, loba kepala daérah numilu kompanye. Nya tangtu dina pilihanprésidén gé moal teu kitu. Da, parakepala

daérah, saperti gupernur, walikota atawa bupati, jolnati partéy pulitik. Upama milu kompanye, kaasuppayus ditilik tina sisi kapentingan partéy pulitik mah.Ngan, kumaha balukarna? Mun kepala daérah kom-panye di lembur-lembur nu ‘kaéréh’ kupamaréntahan ana, bisa jadi éta kepala daérah téhpada ngabagéakeun. Atuh deuih, bisa waé pasilitas nudisadiakeun ogé saperti ilaharna keur kepala daérah.

Mémang , sagala rupa gé aya aturanana. Lir maénbal, aya rupa-rupa aturan. Boh waktuna maén boh tatacarana maén. Eta padika téh kudu jadi cecekelan

sakumna nu ilubiung dina éta ‘permaénan’.

Dina pilihan umum aya wasit. Aya pangawas disaban tingkatan, kaasup di daérah-daérah. Eta patu-gas téh ulah sambéwara, da kudu bener-bener mancéngawé luyu jeung aturan. Sikepna, ulah cueut ka nuhideung, ulah ponténg ka nu konéng. Hartina mah,kudu jadi andelan sakumna pihak.

Mitra, tumali sareng pilihan presidén, Manglénomer ieu ngolongan pamendak Dr. H. Deden Suhen-dar, M.Si, doktor élmu pamarentahan lulusan Unpad,Bandung. Najan aya aturan anu écés, kepala daérahmeunang kompanye, tetep loba rambat-kamaléna.Malah, mamalana gé teu kurang-kurang. ***

Upama Kepala Daérah Milu Kompanye

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2478

IMPLIK - IMPLIK

Watang Batu Ali Pérak

Ti Kaca-kaca Dua ka Jakarta ............ 8

BAHASAN

Mamah Dasimah Mulas Cinta ........... 10

PANINEUNGAN

Naon Sababna Rupa Jeung Bentuk

Wayang Teu Dijelemakeun ............. 30

KOLOM

Carita Baheula

Ensa Wiarna .................................. 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Gedong Sate ...................................... 42

Mangle Alit ...................................... 44

Aweuhan ........................................... 46

Katumbiri .......................................... 50

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

6LAPORAN

Kepala Daérah

Dilarang Kompanye Pilpres?

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Asa muringkak basa ningali Si Jalutitiriktikan bari disaragam pangsi sing

sarwa hideung. Iket batik hawuknadibagudedkeun nutupan beungeutnyésakeun culak-cileuk sapasangpanonna anu lucu. Nyeplés panon

indung na.“Bah, tingal Danang! Pendékar Kalong

Hideung nya?” cenah ngaabahkeun.Dina leungeunna lima pasi awi temen...

Si Balati Demit

JAGAT WANGWANGAN

( KACA : 17 - 40 )

Redaksi Majalah MANGLÉ nampi mangrupi-rupi seratan ti mitra MANGLÉ, bohfiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: [email protected] cc: [email protected] seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratankaryana tangtos kenging honor.MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sarengsaran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)

Page 4: Mangle 2478

3Manglé 2478

KKacaTilu

Nanglu

Kungsi aya harepan, calonpresidén anu bakal maju dinapilprés 9 Juli nu bakal datang

téh tokoh-tokoh anu henteu katalianku sistem kakawasaan saméméhna.Henteu katalian ku mangsa OrdeBaru, kitu deui euweuh pakuat-pakaitna jeung pamaréntahan SBY.Cindekna mah, hayang anu bener-bener anyar lah. Nu bener-benerseger. Susuganan lamun ku kitu mahIndonésia téh bakal leuwih bener.

Na ari ayeuna Indonésia téh ku-rang bener kitu? Nya enya atuh. Lainseuk si itu si éta, ieu mah ceukpamaréntah na sorangan. Teu kudumaké tiori pulitik jeung tiori ékonomianu beurat-beurat. Ieu mah anu nem-brak wé. Salila ieu urang Indonésiatéh loba kénéh anu miskinna. Bukti -na, salila pamaréntahan SBY teuweléh aya anu ngaranna raskin, berasmiskin. Sok, tina ngaranna waé geussakitu matak nyerina. Hartina,sangkilang mingpin Indonésia salila10 taun tapi teu bisa ngaronjatkeunkahirupan rayatna anu mariskinmah.

Lain teu digarap, meureun kitualesanana téh, tapi masalahna teubisa disebut énténg. Tangtu lobaalesan ana, sanajan tacan tangtu étaalesan téh bener jeung matak kahartiku urang-urang.

Matak, kudu nu anyar lah anumingpin Indonésia ayeuna téh.Susuganan ari anu anyar mah bakalbisa leuwih togmol, jeung leuwihtegas dina ngungkulan rupa-rupamasalah.

Ari ayeuna geus kabuktian, teu

katedunan tah harepan téh. Nunyaralon ayeuna, duanana gé, masihkénéh aya pakuat-pakaitna jeung nuheubeul-heubeul. Joko Widodonamah enya anyar, tapi ari JusufKallana mah apan geus aya tapaknati béh ditu kénéh. Malah kungsi jadiwakil presidén sagala. Atuh Prabowojeung Hatta Rajasa mah komo.Prabowo kungsi jadi minantunaSuharto, ari Hatta apan bésanna SBY.

Naha euweuh pisan arep-arepeun ana atuh mun kitu mah? Ihulah waka goréng sangka. Apan céktadi gé susuganan. Basa harita rayatIndo nésia milih SBY, nepi ka duarinta kan, apan nu ngaranna harepantéh diémbohan ku susuganan téa.Ukur semet sangkaan. Sugan téhbageur. Sugan téh bener. Sugan téhnyaah ka rayat. Sugan téh enya.

Ayeuna, sasatna SBY téh geus di-hukum ku rayat. Dina pilég kamari,beubeunangan partéyna, Démokrat,ngan ukur 10 persén. Mangkaninggeus ngayakeun konvénsi pikeunmilih calon presidén. Tapi aribeubeuna ngan parpolna ngan sakitumah, lapur atuh. Palid wé tah meu-nang hésé capé tatahar ti jauhna téh.

Sanggeus kanyahoan beubeuna -ngan parpolna henteu nyugemakeun,SBY téh bangun anu pundung. Moalmilu ka Jokowi, moal biluk kaPrabowo cenah, arék nétral wé.Kumaha ari bapa, maké jeung aréknétral sagala. Kateguhna mah bi -ngung wé nya. Hayangna milu ka nuieu ngan orokaya di ditu aya bésan.

Dina urusan pulitik di urang mahgeus umum sikep samodél kitu téh.

Hayang miluan ka saha baé. Contoanu pangnembrakna ayeuna, nyaGolkar. Jusuf Kalla téh pan Golkarmeleg-meleg. Ayeuna, babarengan -ana jeung Jokowi. Ari Golkarna sora -ngan, kalah biluk ka Prabowo.Itung-itunganana saderhana pisan,rék saha waé anu meunang, Golkarmah bakal aya dina pamaréntahan.

Rék kumaha atuh jadina nagaraurang lamun sikep parpol pulitiknabaé saperti kitu. Anu majar paséhatdina urusan pulitik téh tujuananamah ngan hiji, nanglu. Saha waé anumeunang kuring milu. Lantaran prin-sip utama kuring mah, ulah nepi kateu boga kakawasaan.

Nu ngaraku pamingpin pulitik diurang sihoréng sama sakali geus teuboga kasadaran kudu kumahangokola keun pulitik. Parpol ngansemet dipaké kandaraan pikeun nga-hontal kakawasaan. Lamun geuskawasa mah bisa sakama-kama.Kakawasaan geus aya dina leu -ngeun, rék dikumahakeunana mahnya kumaha kuring wé. Teu leuwihti kitu.

Geus karuhan kieu mah, nya balikdeui wé kana susuganan. Rék Jokowirék Prabowo nu jadi presidénna,susuganan wé bakal bener-benermerhatikeun rayat sakumna. Lainngan mentingkeun baladna wungkul.Dina geus nepi ka dinya, nu ngarannasusuganan téh bisa robah jadiharepan. Meureun, kitu gé.

Ngan aya anu matak bungah téh.Nu maju ngan dua pasang. Hartinaku sarintakan nyoblos gé bakalanggeus. AM

Page 5: Mangle 2478

A s s a l a m u ’ a l a i k u mWr. Wb.

Sampurasun!Damang Nyi Manglé?

Hatur nuhun pamidamang mah. Eta nusalawasna dipiharep nupamiarsa Manglé. Pun-ten abdi ngiring ngintunserat deui perkawiskamekaran politik ditatar Sunda, sakumahanu sering kaaos dinaManglé sababaraha édisikapengker. Mung sateu -acan na aya nu badé di-taroskeun; naha Manglébet resep ngabahas poli-tik? Naha lantaran teuaya urang Sunda numanggung dina politik ditingkat nasional?

Tapi, sanajan kitu,simkuring kataji ku pida -ngan Manglé dinamidang keun politik nugaduh ‘sudut pandang’nu bénten sareng ngému-tan urang Sunda sangkanngajalankeun politik nubener.

Tah, simkuring gé ayapamendak ngeunaankamekaran politik diurang, pangpangna diJawa Barat. Enya, politiktéh tujuanana keurmutus keun cukang lan-taran ningkatkeunkaraharja an rahayat, tapigeuning dina buktosnamah tetebihan pisan. Nukasaksén, pulitik téhmung saukur cukanglanta ran keur kapenti -n g a n - k a p e n t i n g a nningkat keun karaharjaanpribadi atawa hiji golo -

ngan. Jeung deuih,paripolah partéy atawapribadi-pribadi nu di -sebut ‘politikus’ dinatatapakan ana mah,katitén keur ngagiring -keun saukur hayangmeu nang wungkul. Atuhhasilna, nu jadi wakilrayat versi parpol ogé,leuwih némbongkeunjalmi-jalmi nu asal-asalan. Nu kapilih, jauhtina jalma-jalma nu nététarajé nincak hambalan.Upama nu kapilih jalmadadakan, tangtu kacidarugina. Rugi keur dirinarugi keur urang saréréa.Nu matak hariwangdeuih, wakil rayat bakalleuwih mikir keurkapentingan pribadiwungkul. Dina ayanatepung jeung masarakat,mung saukur nampungtanpa biasa ngajawabsolu si nu leuwih kaharti.

Pilihan wakil rayatgeus lekasan. Hasilna ogégeus kasaksén, saha numeunang saha nu éléh.Tapi, bérés milih wakilaya deui waktu milih,nyaéta milih presiden.

Sanajan milih presi-den bakal béda, tapi keururang Sunda mah, kudubener-bener asak jeujeu -han. Ulah kababawaatawa babari dibobodo.

Presiden teureuhSunda jigana mémangmoal aya. Tapi lainhartina urang Sundakudu aral jeung milihgolput. Lantaran, lamungolput, sedengkeun tidaérah séjénna henteu,

tangtu nu rugi nya urang-urang kénéh. Ayeunamah jalan nu pihadéeun -na mah, urang Sundakudu milih kalawan asak-asak. Atuh ka paguyubankasundaan ogé ulahnyumput dina nu caang.Hartina kudu jelasnyosialisasikeun pilpreskalawan lamun aya numeunang restu urangSunda, kudu wani jaditim sukses. Ieu tangtu nutiasa jadi pieunteungeunurang Sunda. Kituna téh,lantaran upama ningalpileg, loba urang Sundanu gagal, éta téh lantaranurang Sunda kurangsigep, paburencay jeungsimpé teuing. Ahirna, teupuguh hasilna. Mudah-mudahan kanggo taun2019 mah henteu kajadi -an deui.

Sakitu anu kapihatur.Hatur nuhun kana per-hatosanana sarengnampi ieu serat dugi katiasa dimuatna.

Wassalam,

Eva FaulinaCimekar Cileunyi

Bandung

Imah Liar di KotaBandung

A s s a l a m u ’ a l a i k u mWr. Wb.

Sampurasun!Bandung kota pang -

jugjugan lain hartina nudatang ka Bandung teruskudu dumuk di Bandung.Kop téh teuing rék ulinka Bandung mah, tapi arikudu terus cicing dimana waé di Bandungmah, asana teu kaci.

Saperti loba nu

méméhna saukur ulin kaBandung, ahirna mahnyarieun wangunan liardiluhureun solokan.Ngarasa teu dilarangatawa teu diburak-barik,nya lila-lila mah jadibaretaheun. Cobi tingaldi trotoar saperti di KiaraCondong méméh bélokasup ka Jl. Jakarta, lobasolokan nu diluhurna ayawangunan liar.

Mémang, urangSunda mah teu tégaan.Tapi lain hartina kudutéga an ka jalma nu geusngalanggar kapentinganumum. Ku kituna, nahawangunan liar geus luyujeung aturan? Mangga kapamaréntah Kota Ban-dung masing wantunngabebenah wangunanliar nu aya diluhureunsolokan cai di Kota Ban-dung.

Dina hal séjénnadeuih, trotoar jeung walu -ngan téh geus dibener -keun, geus diberesihantina artos rayat, éh…anggeus dioméan dipakékeur muka usaha. Aduh...éta si emang mani raosnya?

Tah, kajadian-kajadi -an saperti kitu peryogipanalinga pamaréntahKota Bandung. NahaBandung geus beresihtina imah-imah liar?Mangga urang diantosketak Pa Ridwan Kamiltina ngabebenah KotaBandung nu beresihjeung taat aturan.

Hatur nuhun.Wassalam,

Aep HedianaKiara Condong Ban-

dung

Manglé 24784

Nété Tarajé Nincak Hambalan

KKoropak

Page 6: Mangle 2478
Page 7: Mangle 2478

Héabna pilihan presidenkarasa di mana-mana.Masing-masing pihak tata-

har ngabenkeun ‘jagona’. Tangtu,partey pulitik gé ngeprak balad,ngumpulkeun kakuatan sangkancalon nu dirojongna jadi nu pinujulsarta ahirna jadi présidén.

Dina kompanye, pihak partéybakal satékah polah ngirut hatémasarakat. Carana, ngaliwatanjuru kampanyé petingan, nu diantara na téh kepala daérah. Etapingpinan daérah téh kompanye diwewengkon nu ‘kaeréh’ kupamarentahan ana.

Kepala daérah nu kompanye disalah sahiji tempat di daérahna,umumna meunang pangbagéa nu timasarakatna. Kitu téh, lantarankeur balaréa mah moal gampangnagbédakeun antara kepala daérahjeung pingpinan partey atawapangu rus partey téh. Da, eta-etakeneh apan. “Sacara langsungatawa teu langsung aparat dihandap na gé bisa didorong ku étapajabat sina ‘biluk’ kana pilihan sipajabat téa,” ceuk Dr. H. DedenSuhendar, M.Si., doktor élmupamarénta han ka Manglé sawatarawaktu ka tukang, basa ditepungandi kantorna di Universitas Al-Ghi-fari, Bandung.

Mémang, aya aturan jinek.Paja bat pamaréntah, gupernur, bu-pati atawa walikota, bisa kompa-nye, kaasup dina pilprés. Tatacarana diatur dina PeraturanPemerin tah (PP) Republik Indo -

nesia No 18 Tahun 2013. Ecés dinapasal 26, éta PP gé. Dina saminggukepala daérah bisa dua poé cutiupama rék milu kompanye. Tapi,aya iwalna, cenah, pasualan nukacida pentingan tetep kuduleuwih tiheula diréngsékeun.

Najan kepala daérah boga idinmilu kompanye, ceuk H. DedenSuhendar, loba madaratna. Lan-taran, cenah, kepala daérah mahboga bawahan boga rahayat nusawadina jadi conto masarkat yéndirina teh ‘netral’, henteu cueut kanu hideung henteu ponténg ka nukonéng. “Ngan, da di urang mahapan nu kuduna kepala daérahatawa pajabat nagara téhngecagkeun kalungguhan dipartéyna, kalah sabalikna, geusjadi kepala daérah téh jadi paming-pin partey atawa ketua partey puli-tik,” ceuk ieu alumni UniversitasPadjadjaran (Unpad) Bandung téh.

Kepala daérah, saperti guper-nur, walikota, atawa bupati,samistina, ceuk H. Deden, clok titengah. Kitu téh, sangkan aparat dihandapna gé bisa ngalaksanakeunpancén kalayan luyu jeung aturan.Lantaran mun walikota/bupatimihak ka salahsahiji caprés, bisawaé bawahan éta bupati teh, teubisa tandes ngalaksanakeun atu-ran. “Mislna, satpol PP bisa waéteu kagok nartibkeun spandukbali ho salah sahiji calon, tapi teukitu ka calon séjénna nu dirojongku bupati/walikotana mah,” poknanyontokeun.

Pangaruh goréng séjénna,masarakat nu béda-béda aspirasipilihan, bisa waé ngarasa curiga kapingpinan. Lantaran, sikepna milukompanye téh jentré aya dina salahsahiji pihak. Hartina, henteu nétralsakumaha mistina. “Masarakaturang nu paternalistik, peryogitula deun nu écés kalebet dina pili-han présidén tea,” pokna.

Midua Haté

Saban pajabat disumpah. Atuh,jangjina gée apan ngalaksanakeunpancén kalayan ngutamakeunpalayanan ka masarakat.Patékadan kitu, ceuk Dr. H. DedenSuhendar, M.Si., kudu natrat dinangalaksanakeun pancénna.Tembong na éta jangji téh, bakalécés dina ngalaksanakeun tugasna.“Ngan, nu leuwih penting deui,jaja ran di handapna gé bakal nyon -to ka pamingpinna,” pokna.

Kepala daérah, saperti guper-nur, boga bahawan, walikota jeungbupati. Kitu deui bupati/walikotadi jajaran handapna téh aya camat,lurah, jeung sajabana. Masing-masing bawahan, bakal kacidaguman tungna ka pingpinanana.“Dina waktu pamingpinna kompa-nye, teu ngalaksankeun pancéngawéna, jajaran nu dihandapna gémoal katalingakeun,” pokna.

Nurutkeun ieu Rektor Universi-tas Al-Ghifari Bandung téh, najankepala daérah bisa cuti keurngalaksanakeun kompanye,

Manglé 24786

LLaporan

Kepala DaérahDilarang Kompanye Pilpres?

Dina pilihan législatif, loba kepala daérah nu milu kompanye. Atuh, dina pilihan présidéngé moal teu kitu. Ngan, naon mamalana mun kepala daérah milu kompanye?

***

Page 8: Mangle 2478

pangaruh na mah teu bisadilalawora keun. “Apan, bisa waémangaruhan bawahanana sangkanbiluk ka calon nu dirojong ku étapingpinan,” pokna.

Kitu deui pagawé nagri nu teumeunang kompanye, butuh contonyata ti pihak luluhurna. Da, munteu jinek aturan, bisa dianggap étaaturan téh mintul ka luhur seukeutka handap. Aturan bisa tandes kanu dihandap, tapi teu mempan kanu boga kakuatan mah. “Padahal,nanjeurkeun aturan mah henteumeunang pulah-pilih,” pokna.

Ngadek sacékna, nigassaplasna, kudu kagambar dina atu-ran. Tah, pasipatan kitu, ceuk ieuDewan Penasihat ICMI MudaJawa Barat teh, kudu jadi ceceke-lan sakumna pihak, sangkan sahawaé kaasup rahayat ngarasa meu-nang kaadilan.

Wani Mutuskeun

Pilihan langsung, gumantungpisan ka rahayat. Atuh, ajén-inajénpamingpin nu kapilih gé bagalguman tung kana ajén pilihan

raha yat. “Hartosna, rahayat numilih pamingpinna téh kedah cer-das,”ceuk ieu pangurus PusatStudi Islam Univesitas Ibnu Khal-dun téh.

Mémang, milih pamingpin nuhadé teh teu gampang. Ngan, keurH. Deden mah, ngemutan lalampa-han calon pamingpin nu nyapréstéh teu sing susah. Apan, puguhtapak lacakna. Bakal katangén ka-mampuhan jeung patékadanana.Eces léngkah jeung paripolahnamangsa ka tukang.

Lian ti kudu mampuh milihkalayan dumasar kana tinimba -ngan anu asak, masarakat gésawadina milu nalingakeunlumangsungna pilihan téa. Tangtucenah, panalinga téh kudu ti mimi -ti kompanye nepi ka waktuna pili-han téa. “Kedah wantunngalaporkeun ka pihak nu gaduhwewenang dina nalingakeun pili-han,” pokna.

Enya, apan aya Bawaslu. Ngan,H. Deden gé teu meungpeun tinakamungkinan ayana hal-hal anuméngpar tina aturan. Komo deuiapan waragad keur Bawaslu gé tipamarentah. Atuh, teu anéh upamadina hiji mangsa kudu ‘nyawad’pihak nu raket tumalina jeungpamarén tah, saperti para pajabat,bisa waé éta pangawas téh rada‘ngirung’ alias teu tandesngelingan ana. ***

(Ensa)

7Manglé 2478

H. Deden Suhendar, doktor elmu pamarentahan lulusan Unpad Bandung

Ngirut haté masarakat ngaliwatan juru kampanye

Page 9: Mangle 2478

Batu ali mangrupa hiasan alidalit jeung ramo lalaki.Rupa-rupa batu ali, boh nu

saukur hiasan boh anu eusi(dipercaya ngandung kakuatanmistis), éstu kudu nyurup jeungwatangna atawa jeung alina.Salian ti emas jeung kuningan,watang batu ali ogé réa dijieuntina pérak, saperti anu diproduksiku para pangrajin pérak ti Kam-pung Kaca-kaca Dua Désa Pasir-mulya Kacamatan BanjaranKabupatén Bandung.

“Ayeuna nu nuju trén téh alipérak pameget kanggo watang batunu ageung, modélna basajan hen-teu seueur dirual-réol,” kituditétélakeun ku Eka Pajar Cahyadi,salasaurang pangrajin pérak di Kp.Kaca-kaca Dua, waktu ditepunganku Manglé sawatara waktu nukalarung.

Ceuk Eka, watang batu ali nu di-jieun ku manéhna tuluy diiangkeunka distributor nu aya di JatinegaraJakarta Timur. Ti dinya lajudisebar keun ka daérah séjén. Lianti kitu, sok aya ogé masarakat anupesen langsung ali atawa cincin kamanéhna. Tangtu baé anu pesenlangsung mah modélna ogédisaluyu keun jeung kahayang anumesenna.

Dina sakali nyieun ali nuprosésna dua poé, Eka ngajéntré -keun, manéhna rata-rataméakkeun bahan baku pérak duakilo satengah. Tina bahan sakitu

Manglé 24788

IImplik - Implik

Eka Pajar Cahyadi dibarengan ku istrina, Nopi Nurhayanti (dédé)

Watang batu ali tina pérak ti Kaca-kaca Dua (dédé)

Prosés nyieun ali pérak butuh waktu dua poé (dédé)

Page 10: Mangle 2478

téh nu jadi barangna ukur sakilosatengah. Salian ti nyieunan cincinkeur lalaki, Eka ogé nyieunancincin jeung hiasan séjénna keurawéwé. Ku lantaran nu keurpayuna cincin lalaki, perhiasanpérak awéwé mah produksina ukurdua puluh lima persén tina totalperhiasan pérak nu dijieun kumanéhna.

“Perhiasan kanggo istri mahraména téh upami tos caket kalebaran, pangpangna ti dua minggusaméméh lebaran,”pokna.

Pikeun mapag lebaran, tisaméméh bulan puasa kénéh Ekajeung para pangrajin pérakséjénna geus tatahar nyiapkeunsetok perhiasan awéwé. Lamunteu kitu tangtu bakal kabolér, lan-taran saban rék datang lebaranpesenan jeung omsétna sok nga-jaul.

Diluareun “proyék” mapaglebaran, dina saminggu Eka rata-rata ngaluarkeun tujuh kilo barangatawa hiasan pérak, kalawankauntu ngan kotor 84 juta rupia.Karajinan pérak nu dikokolakeunku Eka dipigawé ku 22 urang

karyawan, sarta réréana masarakatnu aya di sabudeureun tempat pro-duksi. Urang jauhna mah ukursaurang dua urang baé.

“Lumayan, étang-étang mukalahan padamelan. Ngaberdayakeunmasarakat, pangpangna pamuda,anu teu gaduh damel,” Ekangémbo han.

Papadaning kitu, ceuk Eka,usaha na teu salawasna lancar. Ayakalana pasar perhiasan pérak téhtiiseun. Lamun keur tiiseun, biasa -na barang ditampung heula kudistri butor, sarta pembayarananasatengahna heula. Lian ti kitu,harga bahan baku ogé sok naékturun. Bahan baku sok aya waktu -na hésé disiar.

“Ku margi abdi mah kerjasama sareng distributor, bahanbaku ogé seseringna disadiakeunku distribu tor. Taun ayeuna mahAlhamdulillah harga bahan bakunuju setabil, henteu sapertostaun-taun sateuacanna,” poknadeui.

Kangaranan usaha tangtu ayabaé saingan. Nu jadi sainganana,salian ti pangrajin pérak ti daérah

séjén téh, kiwari mahabu barang tiCina anu modélna aralus sartaharga na murah pisan. Ngan baé arilebah kualitas mah bisa disebut -keun goréng.

Ceuk Eka, perhiasan ti Cinamah kadar pérakna handap pisan.Alatan kitu, barangna babari kotorjeung burem. Ali sarta perhiasanpehiasan pérak lianna nu ti Cina,lamun potong téh teu bisa dielasatawa disambungkeun deui, dakadar pérakna rendah téa. Rurun-tuk perhiasan pérak ti Cina ogé teubisa dilebur. Lamun geus ruksaknya tuluy baé jadi runtah, teu bisadimangpaatkeun deui.

Eka acrub kana usaha karajinanpérak lantaran mangrupa usahasadudulur. Kolot sarta baraya Ekanu liana ogé arusahana kana nyieu -nan karajinan pérak, boh nu aya diKampung Kaca-kaca Dua boh nuaya di tempat séjénna. Ku alatanEka jeung barayana nyarieunanperhiasan pérak di Kp. Kaca-kacadua, éta kampung sok aya nu nye-but kampung pérak. Malah dinagapurana ogé dimomonés kupatung cincin ***dédé

9Manglé 2478

Watang Batu Ali PérakTi Kaca-kaca Dua ka Jakarta

Karajinan pérak lokal teu gedag ku serangan barang Cina (dédé) Karajinan pérak, muka lahan gawé keur warga (dédé)

Page 11: Mangle 2478

Dasimah henteu rékaman de-gung. Bet ayeuna, Méi 2014ngaluarkeun deui album

rékaman anyar. Judulna ‘MulasCinta’. Duet jeung Juara CianjuranDamas 2003, Ujang Supriatna. Dinaéta album gé dieuyeuban ku juru -kawih Aén Kurnia jeung HettyRestuti.

Lagu ‘Mulas Cinta’ téh beunangnyipta juru sanggi petingan, UbunKubarsah. Malah salian ti laguMulas Cinta, dina éta album nudiproduseran ku Hj. Hetty Restutitéh Ubun nyanggi tilu lagu séjénnanyaéta ‘Nyungsi’, ‘Ulah TepangDeui’, jeung ‘Bulan Nu Saha’. Arilagu-lagu séjénna diala tina lagu-lagu beunang Atang Warsita(Parahiyangan, Dewi Sartika, Pala -buan Ratu, Béntang Parahiyangan),jeung Yoyo Risyaman (Asih Urang).

Ditilik tina wangunan kecapnamah ‘Mulas Cinta’ téh kaasup frase

(runtuyan kecap) nu kawilangahéng. Teu ilahar. Da enya, méméhngeunteupkeun kana judul nu éta,juru sanggina lila padungdenganpikeun matotoskeun judul, naha‘Mulas Kanyaah’, ‘Amparan Asih’,‘Mulas Kaasih’, atawa ‘AmparanKaasih’. Nya cop kana ‘Mulas Cinta’.

“Aya nilai jual dina kecap ‘MulasCinta’ téh,” ceuk Ubun, “runtuyankecap nu séjénna mah éstu konvén-sional pisan.”

Kawuwuh deuih, dina perkaragalindengna, lagu Mulas Cinta téhséjén ti nu ilahar, tina lalaguan beu-nang juru sanggi nu lian. Ku kitu téhdeuih, lagu Mulas Cinta teu wudungandelan ciri khas Ubun dinanyipta komposisi lagu beunangna.Ku salalar gé, bet ujug-ujug baékapireng motif-motif galindeng ban-dana Ubun Kubarsah. Pon kitu deuidina lagu-lagu Ubun nu séjénna dina

Manglé 247810

BBahasan

Mamah Dasimah Mulas Cinta

Page 12: Mangle 2478

11Manglé 2478

éta album (Nyungsi, Ulah TepangDeui, jeung Bulan Nu Saha), motif-motif galindengna éstuning kapirengmadeg mandiri tina lagu-lagu beu-nang nyanggi nu séjénna.

Husus dina lagu ‘Nyungsi’, gayagalindeng Mamah Dasimah bangunnu ngahaja leuwih teleb neuleuman -ana. Éta lagu nu mibanda wirahmaanca téh, pikeun Mamah mibandatangtangan anu mandiri, kawantusaméméhna éta lagu téh mangrupalagu panambih dina Sekar Anyar (nungantét kana lagu poko ‘Suwung’).Dina Sekar Anyar mah, lagu‘Nyungsi’ téh dihaleuangkeun kuRosyanti jeung Mstika Iman.

“Aceuk téh hoyong milari gaya nubénten tina wanda Sekar Anyar,”ceuk Mamah basa latihan di Dasen-tra, “galindengna hoyong karaospisan wanda kawih degung.”

Dina ieu album, Mamah gé mang-gih tangtangan anu pohara. Lian tikudu ‘ngawadahan’ lagu-lagu gaya‘Dasentraan’ (lagu karya Ubun),Mamah dipambrih meruhkeun ka-mampuh dina ngolah sora sina luyujeung téma lagu.

“Lagu-lagu Kang Ubun téhroman tis pisan. Sadayana ngeunaancinta. Mangkaning cintanakaayeuna keun,” ceuk Mamah deuisemu seuri, “tah, dina yuswa aceuknu tos sakieu sepuhna mah, radarépot neuleumanana lebah témacinta kaayeunakeun mah.”

Jaba deuih, dina éta album téhMamah kudu duet jeung UjangSupriatna, nu dina umur mah éstu -ning ganjor pisan. Tangtu, Mamahréa manggihan tangtangan; bédajeung cara Mamah mun keur parengduet jeung Didin S. Bajuri (carogéna,sakumaha dina sawatara album nukungsi populér dina taun 80-an).Papadaning kitu, dina runtuyanproses rékaman (rekamanana diStudio STSI) sanggeus tepi kanahambalan mixing mah, sora Mamahjeung sora Ujang téh teu wudu silihimbangan, cara dua sora rumaja anusapantaran baé.

Gaya Anyaran

Dina sapuluh taun katompérna -keun, rékaman degung téh ba ngun

geus ilahar deui sok diwuwuhan kukésétan piul. Béda jeung dina gayadekade 70 tepi ka 90-an anu bohdina introduksi (mangkat) jeunginter lude (gelenyu) cukup dimélodi -an ku suling baé. Malah antuknamah kétang, ayana sora piul téh lainbaé pikeun ngawuwuhan piriganwadit ra gamelan degung wungkul,tapi ogé neba kana kacapian wandaanyar jeung cianjuran.

Tilu taun katompérnakeun,muncul gaya kacapian anyar nu kuUbun Kubarsah disebutna ‘KacapianHarmonia’ sakumaha nu kapirengdina album ‘Enjing Deui’ nu midang -keun juru kawih Rita Tila téa. Dinaéta kacapian harmonia mah unsursora piul téh mibanda peran anugedé dina urusan mamanis; najanenya, ayana piul téh masih kénéhdisandingan ku sora suling. Tah, nyadina album Mulas Cinta gé, peranpiul téh mibanda peran nu poharagedéna di sagédéngeun sora sulingpiken nguniangkeun mamanis.

Album ‘Mulas Cinta’ lebaharansemenna digarap ku senimanpedalan STSI, Adé Suparman. Dinagarapanana, Adé geus matéakeunkomposisi anu dinamis. Méh kabéhdina mangkatan lagu dijieun kompo-sisina. Pon kitu deui lebah nganteurhaleuang, meulitan haleuang, mirighaleuang, jeung nutugkeunhaleuang, komposisina éstuning di-garap pisan kalawan daria. Nu-matak, unggal lagu téh moal matakbosen ngadéngékeunana.

Nu luewih metot deui téh, étalebah hadirna sora piul téa. Nu miul -na Yadi ‘Piteuk’ Cahyadi, senimannu ngagarap aransemen album ‘En-jing Deui’ dina garapan KacapianHarmonia téa. Ngeunaan Yadi Pi-teuk, pikeun sapuluh taun katom-pérnakeun mah ngaranna geus jadikacapangan deui. Saban album réka-man, boh nu tradisional kayaningkacapian, degung, kiliningan, jeungcianjuran, boh nu modern cara popSunda, késétan piul Yadi téh bangunnu geus jadi ‘kawajiban’ deui. Tudaéta téa, piul nu dikését ku leungeunYadi mah éstu nguniangkeun mama-nis nu pohara éndahna.

Nu nyulingna, saha deui munlain Iwan Mulyana. Inyana téh

seni man suling nu pangnyong-colangna dina mangsa kiwari. Teubina ti Yadi, dina urusan nyulingmah, Iwan gé mindeng kapirengsora sulingna, boh dina degung,boh dina kacapian. Utamana mahnya dina cianjuran.

Ari seniman séjénna nu milungawewegan dina album ‘MulasCinta’ téh nyaéta Uyép S (saron),Ahmad Sofyan (bonang), EndangAlit (kendang), Panji Triyadi (ka-capi), Apék Supriatna (jengglong),jeung Iing Firmansyah (goong). Ieuseniman téh geus maneuh deuidina nabeuh gamelan mah, utama -na dina degung lagu ageung(klasik) jeung gamelan saléndro.Sedengkeun anu nyarungsumprosés rékamanan nya éta Abuy tiStudio STSI.

Ubar Kangen

Dibanding jeung rékaman ci -anjuran atawa kiliningan jeungwanda nu séjénna mah, rékamanalbum dina wanda degung téh kawi -lang geus heubeul pisan ‘ngarandeg -na’. Dina taun 80 tepi ka taun 90-an,kungsi ngajaul ngaran-ngaran ElisWizaksmi, Ida Widawati, Imas Per-mas, kaasup Mamah Dasimah jeungNining Méida. Ari nu kacatet mro-duksi lagu-laguna di antara na nyaUbun Kubarsah, Ujang Suryana,jeung Nano S.

Utamana kana lagu-lagu UbunKubarsah, sok laju kapireng aya cirikatut karakter anu khas; pang-pangna karakter lagu nu gedényuméndér kana galindeng cianju-ran. Papadaning kitu, lagu-laguhégar Ubun gé teu wudu matakngirut sakumaha nu kabandungandina album kawih kacapian ‘SahaEta’ nu kungsi ngahudang génjlongdina awal taun 80-an, jeung albumkawih degung ‘Asa Tos Tepang’ nukungsi génjlong dina taun 80-ankatompérnakeun.

Nya tina album ‘Mulas Cinta’muga-muga baé bisa jadi ubar ka -ngen, boh kana sora MamahDasimah boh kana lagu-laguDasentra an, gaya Ubun Kubarsah.Muga-muga.*** (Dian Héndra -yana)

Page 13: Mangle 2478

Manglé 247812

NNyusur Galur

Dina Manglé minggu pengker dicarioskeun ngeuna -an kabiasaan masarakat Talaga ngalakukeun ritualdi Desa Sanghiyang.

1. Ritual NyapuNyapu dipigawé ku para kuncén unggal poé Senen

tiap minggu éta téh. Para kuncén ngoér wé sasapu tepi kalalening beresihna. Ti mimiti nyapuan jalan asup ka kom-plék Talaga, Sabada tepi ka pertelon, tilu kuncén meresi-han jalan nu rék ka makam Sunan Parung jeung meresihanmakamna, opat kuncén séjénna meresihan jalan anubrasna ka talaga jeung lokasi sisi-sisi talaga. Lian ti kitudilakukeun ogé Dangdan Tajur, nyaéta meresihan talagapoé Senén rék asup ka Minggu, katompérnakeun bulanRamadhan, nu migawéna tetep para kuncén, tapi diban-tuan ku masarakat sabudeureunana ayeuna mah.

2. Ritual NyiramkeunNu disebut nyiramkeun mah nyaéta meresihan artefak

titinggal Karajaan Talagamanggung nu disimpen ku paraturunanana. Cai keur meresihanana maké kembangmayang meunang nyacag anu disimpen dina gentongbadag, upacara lumangsung poé Senen méméh tanggal 20Sapar. Nurutkeun sumber tradisi, cai kembang mayangtéh bisa ngaétkeun artefak Sésa cai kembang mayang bisaméré barokah jeung bisa nyageurkeun rupa-rupa kasakit

Ritual nyiramkeun dimimitian ku ngala cai diwadahanku sarupaning lodong tapi tina awi konéng, caina kududicokot ti tujuh sumber aér nu dianggap karamat nyaétati gunung Bitun, Talaga Sanghiyang, Ciiray, Wanaperih,Lemahabang, Regasari, jeung ti Ciramas.

Nu nyokot cai karamatna kasepuhan (tokoh adat) Talagadina awal bulan Sapar. Lodong awi konéng anu geus pinuhku cai téh heug dibawa ka musieum Talaga manggungdihiji keun dina kendi, terus didoa’an sacara Islam,saterusna ku patugas anu ditunjuk éta cai tina kendi téhdiképrét-képrétkeun kana barang-barang pusaka. Ti mimitingéprétkeun cai kana arca Ratu Simbar Kancana, RadenPanglurah, kana pedang-pedang, kana goong jeung saka -béh barang pusaka anu disimpen di éta musieum. Étakabéh dipigawé minangka simbul nyuci meresihan jeunghormat kana warisan para luluhur. Masarakat mungguhmoyék di buruan musieum nyaksian upacara ritual ieubari sabadana terus parebut cai sésa nyuci barang-barang

pusaka. Maranéhna ngarasa yakin pusaka anu disucikeunku cai karamat téh kabéh ogé boga kakuatan. Kitu deuicai urut meresihan pusaka ngandung kakuatan.

Tradisi saperti kitu ngagambarkeun kumaha caramanusa ngahormat alam, pangpangna cai nu jadi sumberkahirupan sajaba ti hawa, tanah jeung seuneu.

3. Ritual PareresanPareresan mah dilaksanakeunana unggal poé Senen

saban taun sabada panén rayat ku sakum rayatSanghiyang. Rayat jarah ka makam Sunan Parung terusmeuncit domba, dagingna dibagikeun ka sakumna anujarah.

4. Ritual Nadzar/ Meuncit DombaRitual ieu mah dipigawéna husus ku nu jarah anu

ngarasa diijabah panedana. Éta téh anu unggal poéSenen atawa Kemis ti jam 07.00 isuk-isuk tepi ka jam12.00, ditungkulan ku para kuncén, aparat Désa Sangangdi pertelo antara jalan ka makam jeung jalan ka talagaSanghiyang, kagiatan ieu téh disebut Pamotongan, atawaMeuncit domba.

Sarat meuncit domba nu kudu dilaksanakeun ku nunadzar téh kieu;

a) Domba jalu anu umurna geus 1,5 taun.b) Hayam jaluna hijic) 4 hayam kampungd) 20 kg béas.e) Kalapa ngora sahulu.f) 4 tumpeng / congcot.g) Ketan beureum hideung jeung bodas terus dijieun

cong cot 9 laleutik.h) Tipung béas dibentuk lalonjong lobana sarua kudu 9,

diwarnaan héjo, konéng, hideung, jeung bodas.i) Kalapa meunang meresihan kulitna tepi ka bodas

bersih 9 huluj) Tiwu leutik 9 potong.k) Seupan taleus laleutik 9 potong.l) Saupan sampeu leutik 9 potong.m) Cau raja 9n) Tékték 9.o) Bungbu masak sacukupna, honjé, “joul”, jeung jan-

Katompérnakeun Ramadhan Para Kuncén Meresihan Talaga

Page 14: Mangle 2478

13Manglé 2478

tung cau.p) Daun tepus masing-masing 9 lambar, ditendeun di tilu

bagian anu geus ditangtukeun.q) Daun bingbin/palem leuweung masin-masing 9 lambar

diteundeun di tilu bagian anu geus ditangtukeun.r) Daun hanjuang 9 lambar.

Sabada domba dipencit cokot 13 rupa bagian awakdomba nyaéta sabagian biwir luhurna. Sabagian halis anukatuhu, sabagian ceuli katuhu.

Sabagian kulit akar tanduk. Sabagian kulit cokorkatuhu, sabagian peler katuhu, sabagian buntut, sabagiansusu katuhu, sabagian haté, sabagian kalilipa, sabagiantungtung peujit, sabagian sineureut, sabagian lamusir.

Kitu sawatara ritual anu biasa dilakukeun masarakatanu daratang ka talaga Sanghiyang.

Koleksi musieum TalagamanggungDua Koleksi Musieum Talagamangung jeung Imah

Kuncén Talaga Sanghiyang.Sajumlah artéfak nu asalna tina lahan sabudeureun

tala ga ayeuna mah geus jadi milik kulawarga turunan RajaTalaga manggung, sabagian deui disimpen di imah KuncénTalaga, sabagian gedé mah disimpen di Musieum Talaga-manggung. Artéfak anu disimpen di imah Kuncén Talagadi antarana 3 pedang, hiji kujang, hiji wadah cai anu dijerona aya tulisan aksara tapi geus alus tepi ka teu bisadiidentipikasi, hiji plakat Cina. Koin-koin Hindia Walandajeung koin-koin jaman NKRI, hiji baki, hiji barang nu rékjiga koenjer jeung hiji batu leutik.

Sajeroning kitu, artéfak anu aya di musieum Talaga-manggung mah mangrupa menhir buleud panjang,panjang na kurang leuwih 2 meter, batu pelor, batu gundik,batu pipisan, lulumpang batu, liangna hiji atawa dua, jeungbatu tasbé (tempat ngukuhkeun kalungguhan putramakuta jeung raja). Lian ti kitu, di Musieum Talagamang-gung ogé aya rupa-rupa koleksi diantarana arca, senjata,gamelan, baju zirah, duit, mariem, keramik asing jeunglokal, panto, jandéla jeung lomari.

Nurutkeun sumber tradisi, sabagian koléksi nu aya diMusieum Talagamanggung, nyaéta mas kawin ti RadénRanggamantri ti Pajajaran kanggo Ratu Sunyalarang basadiréndéngankeun. Saterusna dianggap barang pusakakaruhun urang Talaga.

Makam Sunan WanaperihMakam Sunan Wanaperih atawa Aria Kikis perenahna

di Kebonwana Désa Kagok Kacamatan Talaga. Sacaraastro nomi aya di kordinat 06 darajat 57”09,95,40” LSjeung 108 darajat 18”15,90 BT luhurna 618 meter dpl. Ieumakam aya dina hiji cungkup opat pasagi panjang dijieuntina keramik bodas, puncak makam jeung tutunggulnatina kayu nu dicét abu-abu.

Aya makam anu dipercaya makam Sunan Wanaperihsanajan dina tutunggulna henteu aya tulisan anunerangkeun yén éta makam Sunan Wanaperih, tapi éta

bisa dianggap yén Sunan Wanaperh téh tokoh sajarahnu beer-bener kungsi aya di kieuna tur ngalalakon diKaraja an Talaamangung.

Makam Apun SurawijayaPerenahna di Kampung Lemah Abang Desa Cikeusal

Kacamatan Talaga. Sacara astronomi aya dina koordinat07 darajat 00”16.80” LS jeun 108 darajat ‘’ 18”73,00” BTuhurna 624 meter dpl.

Makam dirungkupan ku cungkup opat pasagi panjang,dijieun tina keramik hejo, tutunggulna di tungtung kalérjeung kidul. Luareun aréal makam aya tilu makamséjénna, dua makam ngajajar nu hiji deui mah misah, opatpasagi panjang, 11 umpak (dua makam nu mimiti) jeung9 umpak (hiji makam kadua) tina bata. Nurutkeun sumbertradisi tilu makam ieu téh makam pangawal Apun Sura -wi jaya. Ayana makam Apun Surawijaya anu sarua tanpakatera ngan dina tutuggulna nyirikeun yén tokoh ApunSurawijaya bener-bener kungsi aya di kieuna, jeungnguatkeun katerangan yén Karajaan Talaga lain dongéngtapi bene-bener aya.

Makam CiburuySitus Ciburuy ayana di Kampung Ciburuy Désa Talaga

Wétan Kacamatan Talaga. Sacara astronomi aya dina koor -dinat 06 dsrsjst 59”09,54 LS. Jeung 108 darajat 18”35,73BT elev 2065 ft. Éta makam-makam téh ayana di komplékpamakaman kulawarga boh makam anyar boh makamkuno. Makam kuno anu bisa didata lobana 13, tujuh di-antarana ngajajar ti kalér ka kidul wangunanana saruanyaéta opat pasagi panjang, panjangna antara 2,23 meterrubakna 72 sentimétér. Genep makam séjénna sarua jeungmakam anu mimiti, ngaréndéng jeung makam anu mimiti,ayana gigireun jajaran makam anu mimiti, ngajajar ti kalérka kidul. Ukuranna leuwih leutik ti tujuh makamsaméméhna.

Tutunggul makam wangunanana sterilisasi nilotpala(kembang taraté satengah beukah) atawa padma (kem-bang taraté keur mekar), hiasanna béda antara makamnu hiji jeung anu séjénna téh diantarana motipna sulur-sulur daun maké gambar kembang srangéngé di tengah -na boh aya kolopak kembang atawa henteu, sahandapeunhiasan kembang srangéngé aya hiasan daun.

Sawatara makam maké hiasan sulur-sulur daun, gam-bar kembang srangéngé, di tengahna boh dina kelopakkembang atawa henteu, handapeunana aya motip segitilu,kénca katuhuna aya buleudan. Dipadukeunana motipsegi tilu jeung gambar buleudan saperti kitu, di candiSukuh jeung Ceto di Gunug Lawu Jawa tengah.

Tina : Sajarah Kerajaan TalagaNu ditulis ku Nina H.Lubis (Ed)Etty Sarinendyanti, Undang Ahmad Darsa, Miftahul

Falah.

** HRS/Hanca**

Page 15: Mangle 2478

Manglé 247814

MMunara Cahaya

Hartosna: Maha Suci Alloh anugeus ngiangkeun abdi-Na dina hijipeuting ti Masjidil Haram kaMasjidil Aqsa, anu sakurilingeun -ana ku Kami diberkahan, pikeunKami némbongkeun ka manéhna tiantara ayat-ayat Kami. SaéstunaAnjeunna Nu Maha Ngadangu, NuMaha Uninga. (QS. Al-Israa: 1).

Dawuhan di luhur, dikawitan kukalimah ‘Subhana’, ‘Maha SuciAlloh’. Ieu kalimah nuduhkeun, yénAlloh nerangkeun, élmu jeung akalmanusia moal aya bandingananajeung élmu Alloh SWT. Kaunggeldina surat Al-Kahfi ayat 109 nu kieuhartosna: “Pék ucapkeun, upamawaé lautan jadi mangsi keur nuliskalimah-kalimah Gusti, saéstunabakal érép lautan éta saméméh érépditulis kalimah-kalimah Gusti,sanajan didatangkeun tambahan -ana sakitu deui.”.

Margi kitu, mangga saméméhniténan dina raraga nyandakhikmah tina miéling Isra' Mi'rajKangjeng Rosulullah SAW,kaimanan urang nu kudu di-heulakeun. Sabab Alloh geusnepikeun kalimah tauhidna,'subhaanal ladzii'.

Isra' wal Mi'raj kajantenana sa-taun sateuacan hijrahna RasulullahSAW ka Madinah (Yatsrib haritamah). Nalika harita, RosulullahSAW ninggang dina kaayaan nu

sedih kingkin. Teu kitu kumaha?Sapertos jalmi biasa, Rosul sabarinangkeup tuur di Masjidil Haram,haténa teu tiasa ngabendung ujian-ujian. Sapalih katerangannerangkeun, Rosulullah SAWsapertos nu nu putus asa. Nujukaayaan nu sumpek kitu, isteri SitiKhadijah r.a. sareng Abi Thalib,emangna dipundut ku Gusti.Katambih-tambih deui, kaumQurais sanés ngiring sungkawa, tapikalah beuki ngahina, beukingadongsok, kumaha caranangaguna keun kasempetan kaayaanjiwa Rosul. Kanggo Rosul harita,badé teu sedih kingkin kumaha,istri na nu salami ieu nu ngabélaperjuangan Islam, kitu deui AbiThalib nu mampuh ngabédénganNabi tina kabengisan kaum Qurais,harita parantos ngantunkeun.

Margi kitu, ku MahakawasaanGusti, Alloh Swt. masihan"rahmah"-Na, pikeun méré pituduhka Rosul-Na, Muhammad SAW."Warahamatii wasi'at kulla syaein",kitu Alloh negeskeun dina al-Qur'an. Rosul SAW dina peuting nusarwa prihatin sareng rupa-rupaujian, Alloh SWT ku MahaKakawasanana, Rosulullah diajakjalan-jalan (isra) terus naék(mi'raj), ditingalikeun kumahaperjua ngan para nabi sareng rosulsaméméhna, dugi ka RosulullahSAW tiasa ningal langsung kaagu -ngan Ilahiyah di Sidratul Muntaha.

Waleran Solat Sakumaha kaunggel dina surat

Al-Israa, Isra Mi’raj sanés kajante-nan nu biasa, tapi nu luar biasa. Ka-jadian nu sacara qat’i didawuhkeunku Gusti, mémang nanjeurkeun

kaluhuran jeung kaagungan ajaranagama. Saparantos Rosul lulusnandangan hiji ujian nu kacidabeurat na, saterasna Rosul ka-sumpingan Malaikat Jibril pikeunngabubungah tur disucikeunhaténa. Saterasna Rosul dicandaksareng diiangkeun pikeun ningalkakawasaan Alloh Swt."Subhaanal ladzii arsoo bi 'abdihiilaelam minal masjidil haram ilalmasjidil aqso alladzii baaroknaahaolahuu, linuriyahuu minaayaatina, innahuu huwassami'ulbasyiir."

Nalika Rosul mi’raj ditaékkeundugi ka langit katujuh, ditingali keunkaanéhan-kaanéhan. Hiji gambaranmanusa nu parantos kajadian sarengnu bakal kajadian. Malihan dugi katingalikeun surga sareng narakapikeun umat manusa. Nalika singgahdi sababaraha tingkatan langit,ditepangkeun ogé sareng para Rosulnu sami-sami perjuanganana dinananjeurkeun agama nu hak tauhidIllal loh. Dugi ka puncakna ka SidrotulMunthaha, Rosul nampi tugas pikeunnyumponan solat wajib lima waktu.

Kitu kakawasaan Allohsakumaha dawuhanana. Teu ayadeui rasa mangmang Rosululloh di-iangkeun nu sakitu gampilna, margimung Alloh nu gaduh ieu alam jagatraya. Tapi bénten deui sareng kaumharita Qurais Jahiliyah téa.Saparantosna Rosul ngadugikeunkaagungan Gusti, sanés percaya tapikalah beuki ngalédék, ngalélécé.Malahan beuki loba nu ngahardik,cenah Rosul ayeuna mah beuki lieurbeuki gedé bohongna! Anging Allohnu Maha Uninga tur Kawasa kanasagala rupaning kakawasaan,Rosulul loh saparantosna dilatih

Hikmah Isra' Mi'raj Rosulullah SAW.Ngadegkeun Solat, Nguatan Ukhuwah Umat

Ku Arif Nur Hakim

Page 16: Mangle 2478

15Manglé 2478

sareng ditingalikeun kumaha sipat-sipat manusa saméméhna, sanésbendu tapi ningalikeun paromannanu langkung mulya, sahingga parasohabat nu tumut langkung per-caya. Sapertos dicarioskeun kuSayyidina Abu Bakar. Anjeunna nupangheulana percaya dipayuneunkaum Qurais, yén teu aya deui jalminu soléh sareng jujur angingRosulul lah. Teu aya sakedik ogé nurasa cangcaya kana ucapan Rosul.Para sohabat lianna beuki yakin,mustahil kanggo Rosul nu saéahlakna upama kedah ngabohonganumatna.

"Wasta'iinuu bishshobri wash -sholaati wa innahaa lakabbiirotunilla a'lal khosyiin." Ieu surat Al-Baqoroh ayat 45 téh mun disunda -keun mah kieu: "Jadikeun sabarjeung solat pitulung pikeunmaranéh, saenyana éta téh kacidabeuratna anging pikeun jalma nukhusyu." Ieu oléh-oléh nu kacidaagungna, solat wajib nu lima waktu.Sabab, pancén ieu, mibanda kani’-matan nu dibarung ku pitulungAlloh. Sapertos katingal tinasababaraha ujian Rosul sateuacanIsro Mi’raj, geuning dina kaayaankitu téh jalanna mung ku taqorrubilalloh, nyaéta solat.

Kitu deui upama Isra Mi’rajpinuh ku kaagungan alam jagatraya, éta ogé apanan sadayana ayadina kamulyaan solat. Lima waktuogé nuduhkeun sangkan manusatéh kedah aya dina patokan waktu.Lalampahan manusa diieu alamdunya moal leupas tina waktu.Margib Isya Subuh Asar Lohor sa-daya nuduhkeun kana patokanwaktu nu kacida luhungna. Dinapato kan waktu éta, urang di -piwarang sangkan saheunteunaurang téh kedah tawakal ka Alloh.Solat dina waktu nu tos ditangtu -keun ogé nu leres mah, sanés nulénglé, tapi nu ‘ala waktuha jeunghusyu.

Dina kaayaan kitu, solat urangbakal nyumpingkeun takwa téa.Margi, teu kirang-kirang jalmi anu

kaayanana nuju séhat jagjagwaring kas, dak dumadak katarajangkasakit, boh kasakit lahir atanapibatin. Alatan kasehatanana teudibekelan ku katakwaan sapertosngadegkeun solat, nu kaluar mahsok hawa napsu. Tah upami anudibekelna takwa mah boh nalikasehat atanapi teu damang, bakaltetep ajeg dina rido Gusti tur éta téhmangrupi ciri jalmi anu akalnawalagri. Dawuhan Alloh SWT.: InnaSholata tanha’ ‘ani al fakhsya wa almunkar. Nu hartosna kieu: Saéstu -na solat téh nyingkahan tina polahnu jahat jeung mungkar.”

Seueur paréntah diwajibkeun -ana solat, tapi sakedik jalmi nuterang kana hikmah solat. Kitu deuimungguh manusa tara awas kanani'mat, nu sok padahal ku dipapari-nan kahirupan ogé geus mang -pirang-pirang ni'mat anu hésépikeun diukur sakumaha pangajén -na.

Ku kumargi kitu, sakumaha tadiyén solat téh tugas. Ari tugasapanan nyandak hikmah. Margisolat téh tugas urang, janten urangogé wajib ngajak jalmi supaya solat.Ulah tebih-tebih ka putra-putraurang, ka carogé, ka tatanggi sarengsajabina, ieu tugas. Naon sababnakedah dilebetkeun kana tugas?Margi dina muterna alam muternajaman, polah jalmi téh geuningbeuki robah.

Solat Nanjeurkeun Ukhu -wah

Islam teh agung tur linuhung.Lantaran kitu, upama ajaranagama, sapertos Solat henteudilaksana kan, hartina eta jalmageus ngaragragkeun kaagunganIslam. Kaadilan, kajujuran, atawapamingpin nu amanah, sakumahadiagungkeun dina ajaran Islam,mung saukur harepan wungkul,upama umat ninggalkeun solat.Islam negeskeun, yen ciri antaramu’min jeung lianna (kafir), nyaétasolat. Hartosna, solat nu jadi rukunIslam, leres-leres jadi pangraket

kaum mu’minin. Asholatu imaddu -din. Solat teh tiangna agama.Hartosn a, saha jalma nu teungadegkeun solat, eta jalma geusngaruntuhkeun agama. Upama geusngaruntuhkeun agama, hartina etajalma geus embung ngajaga poko-poko agama nu di antarana kawaji -ban hifdul umat.

Nu jadi patarosan, naha lobaumat Islam nu pabureuncay dinapamadeganana? Waleranana lan-taran loba di antarana jalma-jalmahenteu ngajadikeun Islam keur alatnanjeurkeun ukhuwah. Upama kitu,tangtu ieu téh bahla. Loba cara keurngajaga umat, di antarana solat ber-jamaah. Ngan deui-deui loba jalmanu teu mampuh nyandak hikmahtina kakedahan solat berjamaah.Sok padahal, upama umat terangkana pentingna berjamaah, ajaranIslam bakal leuwih ngamulyakeunumat.

Bulan Rojab, bulan nu agung,bulan dilungsurkeunana parentahsolat, sawadina jadi eunteung umatkeur ngajaga ukhuwah umat. Kitudeui ka pribadi-pribadina, upamadibandungan mangsana kiwari,kantenan matak pikahariwangeun.Di saban tempat jeung di tiapkawija kan ti pangusaha nu mayori-tas Islam, henteu ieuh ngajadikeunsolat minangka tali pangraketukhuwah umat. Ieu tanda, yénbangsa urang mémang geus teumaliré deui kana urusan ajaranagama. Bangsa urang geus teu ayadeui nu ngatur kana paripolah ka-manusaan. Nu aya jeung buktikalah sabalikna. Seueur polah jeungpasipatan bangsa nu ahirnangajurung laku jeung ngamomoré -keun kana papagon agama.

Margi kitu, mudah-mudahandina ngeusian sasih Rojab taun ieu2435 H, urang salawasnadipapari nan rohmat sareng hi-dayah Alloh Swt.. Allohuma laatuji’ kulubana ba’da idhadaitanawahablana milladunka rohmah,innaka antal wahhab. Amin yarobbal ‘alamin. ***

Page 17: Mangle 2478

Manglé 247816

TTanyaJawab

Patarosan:Assalamu’alaikum Wr. Wb. Tumaros ngeunaan jama’ solat

upama dina kaayaan macét. Sapertosnalika di jalan nu macét nu mang jam-jam, kumaha kedahna. Hatur nuhunkana waleranana.

Wassalam,Ade SafrudinCibadak Sukabumi

Waleran:Ti payun ngahaturkeun nuhun kana

patarosanana perkawis solat. Kaleresandeuih, ayeuna sasih Rojab, nu manadilungsurkeunana kawajiban solat.Hartos na badé keur kumaha ogé teu ayaalesan kanggo ninggalkeun solat, kalebetupama nuju macét nu mangjam-jamatawa nyeepkeun waktos nu lami.

Dina édisi Manglé kapungkur ogékantos nerangkeun perkawis solat nupatali sareng saba-sabab ayana jama’solat. Ayeuna urang waler deui, mudah-mudahan ageung mangpaatna, utamadina kakedahan nepikeun ajaran agama,sok sanaos sababaraha kali. Da mémangkitu ari ajaran agama mah, geuning sokseueur nu babari hilap deui.

Patali sareng patarosan, saéna urangwaler heula katangtosan waktu-waktusolat nu tos ditangtukeun dina Alquran,sakumaha pidawuh Alloh SWT anuunggelna: “Saéstuna solat mangrupakawajiban anu tos ditangtukeun waktu-waktuna pikeun ka jalma-jalma anu ari-man.” (QS. al-Nisa: 103). Ayat sanésnanyebatkeun: “Prak adegkeun solat timimiti panon poé condong nepi ka peu -ting jeung waktu subuh. Saéstuna solatsubuh disaksian ku para malikat.” (QS.al-Isra: 78). Sedengkeun ningalkeun solatkaasup dosa tur ngarusak kana kaimananhiji jalmi, sakumaha pidawuh Alloh SWT.anu unggelna: “…. Mangka datangsanggeus maranéhna generasi anungamomoré keun kana solat jeung nutur -

keun hawa nafsuna, mangka maranéhnadina poé engké bakal manggih jalan anusasar.” (QS. Maryam: 59).

Dumasar kana ayat Alquran ieu,mangka solat mangrupa kawajiban anuhenteu bisa ditawar-tawar deui pikeun kajalma-jalma anu ariman. Saupama ayahiji waktu anu henteu dilaksanakeun baridihaja mangka tos kaasup dosa, malihdina Hadits disebatkeun: “Solat mang -rupa tihangna agama, sing saha anungadegkeuna mangka manéhna tosngadegkeun agama, jeung sing saha anuninggalkeunana, mangka manéhna tosngaruksak agama.”

Ku kituna saperti dina kaayaan urangnuju kumaha waé, saperti dina kan-daraan nu kapegat macét sedengkeungeus kana waktu solat, saupama bisa di-laksanakeun di luar mobil sakumahailahar na, mangka hal ieu leuwih hadé.Tapi saupama henteu bisa atawa henteumungkin alatan kandaraan keur macétnamangka meunang ngalaksanakeun solatdina kandaraan. Namung saratna kedahmayun ka kiblat nalika takbiratul ihromteras solatna disampurnakeun ka manawaé mayunna luyu sareng arah majunakandaraan. Carana, tetep bari calik ditempat (di jok mobil). Saupama ruku,mangka salirana ditungkulkeun sakedik.Teras saupama sujud, mangka saliranaditungkulkeun leuwih handap ti batannalika ruku. Cara saperti kieu dumasarkana Hadits Nabi anu sumberna ti Ya’labin Murrah anu diriwayatkeun ku ImamAhmad sareng Tirmidzi. Ya’la kantosnyarengan Nabi Muhammad SAW. di hijitempat, teras turun hujan, taneuh jadibaseuh. Henteu lami datang waktu solat,Nabi maréntahkeun salasahiji sahabatnasupaya adan teras komat. Teras Nabisolat di luhur kandaraan. Ti harita Ya’langabéjakeun ka para sahabat liannawiréh Nabi nalika solat di luhur kan-daraan saupama ruku, salirana nungkul,saupama nalika sujud, salirana leuwihtungkul ti batan nalika ruku”. Dumasarkana kajadian éta, mangka tiasa di-jadikeun sumber kanggo ngalaksanakeunsolat saupama dina kaayaan darurat

pisan, saperti upama keur kapegat macét. Ngan langkung saéna mah, sateuacan

angkat urang kedah tos tiasa nyawangkana kaayaan pimacéteun di jalan, nepika waktu solat (contona waktu solat Asar)bakal luput atawa bakal kaliwatan. Ku halkitu saena urang buru-buru solat heula,teras angkat. Ku cara kieu, mangka waktusolat Asar moal lapur. Tapi saupamanaék kandaraan sateuacan datang waktusolat, teras kapegat macét di jalan barimoal bisa turun heula, mangka bisa di-jama’. Ngajama’ solat dimeunangkeunnalika aya hajat atawa dina kaayaandarurat, sok sanajan lain dina kaayaankeur musafir. Contona nalika kapegatmacét dina waktu solat magrib nu waktu -na samporét pisan. Dina kaayaan kitu,mangka solat magrib meunang dijama’kana waktu solat Isya (jamak ta’khir).Tapi saupama solatna henteu bisa di-jama’ saperti solat asar mangka pilihankadua nyaéta ngalaksanakeun solat dinakandaraan. Wuduna? mangka tiasa di-ganti ku tayamum.

Di antara dalil anu ngameunangkeunjama’ solat salian ti waktu nyaba (safar)nyaéta Hadits anu nyebatkeun: “Rosulul-loh SAW. pernah ngajama’ solat lohorsareng asar, ogé magrib sareng Isya diMadinah, sanés lantaran ngarasa sieunogé sanés lantaran hujan”. Salasahijisaha bat naros ka Ibnu Abbas: “Naonmaksadna Rosul ngalakukeun sapertikitu?” Ibnu Abbas ngawaler: “Mantenahenteu hoyong umatna ngarasa beuratdina ngalaksanakeuna paréntah Alloh.”(HR. Muslim). Malih dina Haditssanésna disebatkeun, wiréh Rosul diMadinah kantos ngajama’ solat padahalteu aya sabab hujan ageung, atawa teudamang, tapi Rosul ngajama’ lantaranalatan lianna anu kacida daruratna.

Dumasar kana pedaran di luhur tiasadisimpulkeun, wiréh ngajama’ solatdimeunangkeun nalika kapegat macétanu henteu bisa dikukumaha deui.Saupama solat anu henteu bisa dijama’,tur dina kaayaan darurat, mangka meu-nang solat dina kandaraan. *** Wallohu‘alam.

Solat Jama’ Waktu Macét

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle 2478
Page 19: Mangle 2478

Manglé 247818

CCarita Nyambung

(6)

Sugan téh rékngajak ningalantoko-tokosabudeureunhotél terus uplekngobrol deui di

kafé bari ngopi. Horéng di -ajak kana mobilna.

“Urang ningali panon poésurup ti Munara Eifel mana -wi kaudag kénéh,” pokna.

“Da atos ka dinya mah,”ceuk kuring.

“Éta mah siang. Ayeunasonten. Unik geura,”walonna. Biur baé ngajugjugdeui wangunan nu kamashursaalam dunya, Munara Eifel.Sajajalan Pierre nyaritakeunpangalaman nalungtik karya-karya budaya lawas nudiusulkeun jadi warisan bu-daya dunya. Atuh kuring so-rangan nyaritakeun kahirup an urang Sunda bari teu pohongaguar ajén-inajén nunyumput jeroning lagu jeungrumpaka Tembang Sunda.Asa beuki genah tur nyam-bung ngobrol téh. Malahpogot nepi ka teu karasa geusnepi ka nu dijugjug.

Plung-plong awas ka ma-mana ti luhur mah. Lobadeuih nu ngahaja “megat”panon poé surup ti lebahdinya. Geura baé kota Parisnu ngampar satungtung ti -ngal sasatna aya handapeunsuku. Wangunan-wangunannu ngajalegir jarangkung ogé

ukur sagedé korék api bisakaciri hateupna ti dinya mah.Jalan butbat di mana-manateu kaitung lir ramat lancahmuseur ka Munara Eifel.Waha ngan Seine nu meulahkota atra caina semu kulawuwanci reupreupan mah.

Ceuk Pierre Munara Eifelminangka titik puseur kotaParis. Wilayah-wilayahsabudeureuna dirancangmangrupa bunderan konsén-trik. Beuki deukeut ka titikpuseur kota beuki mahalharga bangunan jeung séwa -anana. Hanjakal harita langitteu pati cangra, semu reueukkahalangan méga. Duka mé -ga duka polusi kétang. Teulila dina méga katingal taram-taram aya cahya soré ting -arudat. Kabeneran radanyingray bréh panon poésagedé tungtung roko ném-bongan tina sela-sela mégakawas nu ngin tip. Jinggakatingalna ku kuring mah teungempur kawas panon poésurup di urang. Jalma-jalmanu aya tingtarunjuk bariramé caca rita lantarannimbul keun kaéndahan nuunik nyaéta garis-garis ca-haya nuansa warna konéng,beureum jeung biru saulas.Teu lila les deui katutup mégawarna kulawu. Niténanpanorama alam kitu ngadak-ngadak nyelek rasa nalangsa.Ningal kota nu sakitu upluk-aplak satungtung tingal

nimbul keun kasadaran diritéh karasa pisan leutikna.Komo di payuneun nunyipta na mah éstu tayahartina. Padahal remen pisansorangan sok ngarasa leuwihpunjul ti batur pangpangnadina rupa, kabisa, jeungkaboga. Lat baé poho kanakasauran guru, “Ari jadi abdiseni kudu salawasna ngarasadiri héjo ambéh jadi asak.Sing saha nu ngarasa dirinaasak dagoan baé burukna.”

Kitu deui ningal polahjalma-jalma nu sakitu guligahtur mihélok surupna sra -ngéngé nu ukur sagedé tung-tung roko ... ras ka sarakan.Unggal poé di urang mah bisanyaksian surup jeung mele -ték na srangéngé bari taraieuh mihélok. Kaasup kuringsorangan éta téh. Padahal arimihélok téh awal tina rasahormat jeung misukur ka NuKagungan. Kuring soranganngarasa jajauheun tinamisukur kana sagalakanugra han ti Mantenna nukatampa salila ieu. Moaldipungkir.

Teu karasa panon ngem-beng, nginghak lalaunan,cipanon merebey. Sigana nunangtung gigireun nguping -eun, da tuluy eureun ngajaknyaritana. Karasa manéhnamelong teleb. Kuring nga -lieuk bari teu wasa nyaritalantaran karasa cipanonbeuki ngagarajag. Pierre

kaciri reuwaseunana. Kek taktak duanana

dicekel. Kuring jeung ma néh -na pahareup-hareup.

“What’s wrong, honey?”sorana ngageter bangun hari-wangeun pisan.

Teup paadu teuteup.Soca na linduk. Teu sadarsirah nyuuh kana dadana nusembada. Manéhnanangkeup. Gustiii, naha betujug-ujug timbul rasatengtrem asa boga panyaluu -han nu tohaga. Asa aya rasanu leungit hég kapanggihdeui. Duka naon. Teu lila,leungeun na karasa ngusapansirah. Ngusapan deudeuh.Pipi kénca katuhu diciumlalaunan.

Basa manéhna tungkul,kuring tanggah neuteup teuneuleu ... pasrah. Tapi baranglambeyna méh antel, kuringspontan tungkul bari nahandadana lalaunan ku dualeung eun. Atuh ngan keunakana tarang nyiumna téh.

“Sorry, I’m not ready yet,”ceuk kuring ngaharéwos.Karasa napasna ngagentakreuwas, terus ngawalon ba -ngun éra. “Never mind, nevermind, no problem. I’m deeplysorry too,” pokna bari ngudarrangkulanana. Soranangageter.

Terus terang lain teuresep jeung lain teu hasratbieu téh. Malah pasrahrarasaan mah. Tapi ukur

C’EST JOLIEH.D. Bastaman

(Panghormat ka para panaratas tembang Bandungan,hususna Ubun Kubarsah sareng Nénéng Dinar)

(4)

Page 20: Mangle 2478

19Manglé 2478

sawatara detik méméh pa -antel lambey ujug-ujug bréhdina ciciptan raray Emah,nongtoréng kasaurananabasa pamit munjungan ka

anjeun na. “Bral miang didungakeun

muga salamet rahayu. InsyaAllah mun engké Antin mu-lang sing tetep sétra beresih

siga ayeuna Antin suci leupastina leungeun Emah.”

Éta nu kacipta harita.Ukur sawatara detik méméhkuring kapurba rasa geugeut

nu geus lila sirna.Sajajalan aya kana tilu

kalina Pierre sasadu méntadihampura. Taya maksudngahina cenah. Walon ku -ring, “Urang popohokeunbaé. Sigana urang haritakapa ngaruhan ku situasi.”

Enya kawasna mah. Sa-jaba kagémbang ku panora -ma nu sakitu éndahna, haritakatingal aya sabaraha pasa -ngan nu silih rangkulnémbong keun kageugeut. DiPrancis mah taya nu midulimun aya nu silih rangkul silihcium di tempat umum ogé.Malah mun urang melong nukeur silih asih, hég kabeneranaya pulisi, kalah urangna nuditegor pajah tong ngagangguprivasi batur. Tapi … tapi …lain … lain kitu sabenernamah. Asa leuwih jero. Tapiéta mah disidem jero haté.

Méméh nganteurkeundeui ka D’Diamant, Pierrengajak nyimpang heula karéstoran, sabab geus waktunadahar peuting.

Tah bari dahar Pierrenyaritakeun deui riwa yatkula wargana. Cenah ramananyatujuan Pierre dige dékeundina tradisi Katholik caraibuna.

Tapi basa rék pupus,rama na ngaharéwos sangkanPierre nganut agama Islam.

“Teu acan tiasangalaksana keun amanahnadugi ka ayeuna ogé. Dakumaha atuh ti aalit pageuhngagem agama Katholiksapertos pun biang sarengkulawargana,” cenah.

Pierre nganteurkeun ku -ring nepi ka lobi hotél. Basasasalaman rék papisah,manéhna ngomong kieu,“Dungakeun sangkan tiasaanteb haté ngalaksanakeunamanah pun bapa sarengtiasa dongkap deui ka Indo -nésia.”

Kuring teu sadar ngawa -lon “Aamiin ya RobbalAlamiin.”

Ti harita manéhna plengles taya béja teu carita nepi kaayeuna. Méh kapopohokeun.

(lajengkeuneun)

Page 21: Mangle 2478

Manglé 247820

Asa muring -kak basaningali SiJalu titirik-tikan baridisaragam

pangsi sing sarwa hideung.Iket batik hawukna dibagu -ded keun nutupan beungeutnyésakeun culak-cileuksapasang panonna anu lucu.Nyeplés panon indungna.

“Bah, tingal Danang!Pendékar Kalong Hideungnya?” cenah ngaabahkeun.Dina leungeunna lima pasiawi temen anu geus dijieunmirupa balati sajeungkalan

ngolécér ditalian ku rapiabeunang ngarara.

“Yu Bah ah, badéngabasmi penjahat heula!”Pokna ngagorowok baringabiribit ka tukangeunrungkun walini, kadéngérécok babaturananangabagéaken.

“Naaang, teu kéngéngtebih teuing amengna!” Pa-majikan ngajéréwét titukang. Mangsa sareureuhbudak, tingtrim peutingngadedempés dina rangku-lan jungkiring lamping.Bulan teu némbongan tapiamparan jomantara cangrahibarna ngémbrat ka sakurpupucukan nu kalan-kalangalideur. Dina golodog gom-bong, sada rekétna ngaba -rubah keun kasimpé. Naluribatin nyadap ringkanglemes, rét kana panto anggerteu endag.

Teuteupan anteng deuikana wates embun-embu -nan gunung sawatara gerétrisbang di pangkéng teu ieuhditolih. Paling gé pamajikanrék ka cai. Pamajikan anuleuwih ti sawarsih di -pihukum; pamajikan anupurah maturan ngukir langitngaréka béntang milangayang-ayang méga malangdi awang-awang. Diuk

ngémpol méré ombér tapikalah ka jempling. Paralak,sada pamalédog kana rung -kun kapol laga. Lenyap!

“Maenya manéhna mah,palias teuing aya mamali-

CCarita Pondok

Si Balat i DemitCarpon Emha Ubaidillah

Page 22: Mangle 2478

21Manglé 2478

hanana?” Cek haté. Iket nu meulit na beu -

heung diudar, mancén sa -biasa ngabarangbangsemplak dina sirah. Pancadria dipe pet gumulung dinasatunggal kasayagaan. Raska nu di imah, dua beu -beula han nyawa. Jungcengkat tapi kolébatan tihareup jeung ti gigireunmugag keun obah awak.Brek dépok, meta ca pit la -ngir, kep kep trang. Paka -rang nu taya lianbalati- balati leutik plak-plukha reupeun.

Hiuk, angin panarajangnyeleccep kana puhu ceuli.Bari ngarawu balati laju di-pangpéngkeun kana galar,sirah ngagiwar. Lol, peureupmeuleuneu. Cleb cleb clebsada balati, kedét nyémpongmahpral pigeulang lawan.Orokaya sasaran ngenyed,plos. Nilik wewesénna anulain lawan-lawaneun mé -méh mumuluk, awakdikoprol keun ka buruan.

Bréh dedegan lempaysing sarwa hideung, buni kabeungeut-beungeut. Canmuseur lelembutan, panara-jang kaburu merekpek lirhujan silantang. Ukur sudsed miceunan dina kuda-kuda wangun pancer. Lawanngareuceuh bincurang dinapeta babad pacing. Lawan gésurti sakilat ngarobah teung -geulan meupeuskeun kon-séntrasi. Suruntul teunggeulgelap ngampar, duk!Nyayang kana dada. Kuringngaheugeu, guprak wéh api-api kapaéhan.

“Kakaaang!”Méméh lunta ka tatar

wétan, Bapa mopoyanansangkan kuring ngasakkeunpangarti heula ka Aki Uda diDukuh Mandalapaksi, gegerManglayang. Aki Uda nutaya lian sobat dalit jenatnaaki kuring kawentar sartakungsi jadi legenda dunya

pasilatan, Ranggayuda SiBalati Sewu sedeng Si Akimah mangsiun manéh sartageblus mancén dines kapa-maréntahan. Sangggeus sahti dunya, nya bapa kuringanu nuluykeun kalungguh a -n ana.

“Apa katut aki hidepmah, lain pakna jadi jawa -ra,” cék bapa dina hiji poé.

Sajolna di panganjrekanAki Uda teu ieuh tumarum -pang lantaran pada mika-conggah, dipiadi ku sobatanu saluhureun.

Dipilanceuk ku sahan-dapeun. Komo ku mojangtunggal endog beubeureum -na Enin katut Aki Uda, si -pat na Andini.

“Kula téh banget tibelatka Abah jeung Ambu di lem-bur, Ki Adi. Asa kokolébatanmarengan saban ringkang.Kudu mulang heula Kula téhkaya kieu mah,” gerendengKi Sobat, Tubagus Danang.Sobat anu pangraketna diantara murid Aki Uda.Duaan ngabebengkang dinaamparan jukut, ngadonngahérang ngarajut harepandina kebenan méga-mégaanu ngarariut. Manéhnageus puluhan taun, meujeuhmun pada mikaserab ogéjaba cenah teureuh rakéan,para ménak Banten.

“Entos pupulih ka Aki?”ceuk kuring sanggeus nga-heneng salila-lila, can naon-naon geus asa lengiteun. Nuditanya ngarahuh, unggeuk-unggeukna mah laju nga -rénghap jero nguyup hawasoré tina kulincir angin pasirsakaligus bangun ngutah -keun manglaksa katugenah.Jung cengkat, babatek.Gerewek kana pigeulangkuring,

“Urang ngajagjagkeuntuur wé yu ah!” Pokna baringaréngkas bincurang, gen-tak jingkrak. Jejek mekarnyusul tepus kana kekem -

plong, gilek nyérong ngénca.“Baku ari geus nga-

lonyéng téh dia mah,” ku -ring ngagolékkeunpigeulang, kek disalin. Srodkuda-kuda ngawangunpunggel, julaprét dampalsuku manéh na ngangkang,jekok kana dada marenganséréd punggel ngajeblagawakna, blak wéh duaannangkarak bengkang baringabarakatak babarengan.Ngan teu labas, kabaribinanku nu anyar datang, kuringméh-méhan kabesékan.

“Kakang?” Horéng An-dini. Aya ku sieup tur lucubadis Putri Dewi Sarkatingajengjen dina papayunglayung. Danang ngalieusbasa kuring pateuteup téh.

“Aya naon Din?” Danangnyelengkeung.

“Disaur ku Abah, khususKakang Dan. Aa Dika mahhenteu.”

Sapurnama ti harita,karasa cuang-cieung sab KiSobat tulus mulangna. Dinaitungan kalima purnama canembol-embol. Jejeg sataunteu béja teu carita. ReujeungAndini ngupayakeun nga-jaga jarak da sihoréngpapacangan ana.

“Aki mah moal nyarék,moal ngahempék-hempékngan baé pancén hidep didieu can réngsé. Kadua tiéta, Aki banget inggis katem-puhan ku bapa hidep,” pok-pokan Aki Uda ngageuribasa kuring pupulih hayangmulang, matek lilinggeransadar kana tujuan awal.

Gilig geusan ngulik pa -ngarti ngalesu kaweruhsabari geusan ulun ka nujadi guru. Kadar ka Andini,seug rék diaku adi pituin ki-lang kanyaah séjén teu bisadisisilihan enyoy-enyoyansok komo mun parengnganyahoankeun dirinakeur midangdam dimumung gang. Ngahelasna

mah kabina-bina tapi da teubisa kukumaha. Nu nga -gubag-gabig rawah-riwih,kuring nahan piseurieun,siet nyabet cadarna. Bray.

“Kakang ih!” pamajikanngajéréwét bari jingkrak tapirangkulan kuring leuwihrikat. Usik patalukan meta,pamajikan ngajehjer balukardigaléntor. Ragamang kanacekelan, kulawit neueul dinasaluhureun ambenna.

“Bingah teu?” Cenah.Koréjat cengkat ngarawuawakna nu sigset sing sarwangeusi.

“Eusian deui. Eulis?”“Tos tilu sasih saur Ema

Paraji mah, Kakang,” pama-jikan nompo geugeut.

Regeyeng dipayang katepas. Basa muncul karamanulon-ulon gorombolan tileuweung, kuring sabatur-batur remen mancénngaronda. Nu hélok betngalaman béntrok reujeungnu dianggap gegedugna.Ngan saban rék prung ijénsok mindeng muncul ogéjawara cadar hideung nga -borobotkeun puluhan balatileutik. Si gegedug anu sokmake topéng loréng hululoda ya kanjat ngiles kamanaboa.

Nu leuwih hélok turtamatak ginggiapeun kupakarang-pakarang anakbuahna, ratusan harupatmencos, jelas mapakanpangabisana anak murid AkiUda nu kakoncara ahli ulinbalati. Hiji peuting nu teukapopohokeun, kapacikeuhmeleg-meleg basa ngobrotka jauhna ana rét ka tukang,Dusun Mandalapaksi geusdikeput haseup hideung,

“Cuang baralik deui,dulur-dulur!” Kuring nga-jorowok.

Riek léngkah saratusdalapan puluh darajat malikpating berebet patarik-tarik.Ari gok, gebeg. Panganjre -

Page 23: Mangle 2478

Manglé 247822

kan Aki Uda geus sate -ngahna kahuru. Teu miroséananaon, awak ngambul kahareupeun tepas. Ras ka An-dini, ka Aki jeung EninUda…di marana? Lenyap,gigi reun jeung tukangeunpating sariet sada pakaranglemes ngalempag. Karéréttumpukan bahbir, gentakngareundeuk nénjrag jagat,sababaraha lambar papanbahbir ngalayang mapagsentétan ratusan harupat,clep clep clep. Jlung jlengopat juringkang narajang

“Masyaalloh, balad SiTopéng Loréng geuningan?”Gerak awak miheulaannyampeuk. Koléang, koléanggebut, tiluan mecleng kanabalungbang. Bereset limaanningker kékép, sakeur ku ringbener-bener paéheunléngkah sawatara seuneugeus ngaléntaban para imah.Sret sret, sora-sora matakgigis pating arajol tina ma -sing-masing warangkana. Diluar panyangka, jorélat boro-bot nyaho-nyaho nyampeuktangtungan Si Cadar Hi -deung geusan ngawut-ngawut tingkeran malahsaparona rarubuh korbanhujan balati.

“Si Balati Demit?” Kuringhookeun. Nu diupat méréisa rah sangkan kuring noro-bos ka imah sedeng babatu-ran paciweuh irid-iridanmareuman seuneu saakal-akal. Gajleng ka luhur tepas,suku méh-méhan tiporoskana conggang palupuh.Panto diteunggar, bréh AkiUda keur diraponan puluh anlawan saragam loréng hi -deung. Kuring kerung. Ayanaon ieu téh? Andini jeungEnin Uda ka marana?

Borobot, sada pamikuljeung balek ngareunteutngabuah silalatu ruhakmanca wura. Sarérétan AkiUda lir hiber meuntasankubengan pager hirup lajunyamber awak kuring sadar-

sadar geus di buruan. Nuningker gé rajleng ngudagpaheula-heula bareng reu -jeung ngaborobotna suhu-nan.

“Di mana Enin, Aki?”Kuring panasaran.

“Aya nu mawa, ku numaké cadar hideung!”

“Ari Andini?” Aki Udarungah-ringeuh bari ngu -lincer keun panon heulangna.

Masing-masingkeupeulan ana nyarelapbalati leutik lir kepet guguri-lapan. Di mana Andini? AkiUda nyurungkeun taktakkuring marengan nga -brengna panarajang. Tapisada maralak mahpral dang-daunan nga rengkogkeungerak saréréa, panarajangrobah ku wa ngun pakarangharupat méncos. Wer werngahujanan pakalangan,borobot treng treng sam-beran balati laleutik mapagmarengan juringkang SiCadar Hideung. Clek nong-gongan kuring jeung AkiUda, tiluan nung ku museurkalang. Sier sier, paser haru-pat nanding bang bara tisaban pongpok. Wer wer,balati-balati teu cicingeunrek ngahapuk panarajang,bareng jeung éta jug sadagorowok handaruan,

“Tahaan!” Gayabag, kop -rol sababaraha jumpalikan,ter muter méméh keuneungniban lemah.

“Si Topéng Loréng!”Tiluan ngagerendengbareng.

“Dia sakabéh saralahsasaran, ayeuna kénéh geuramulang ka sarakan, mun -duur!” Gorowokna deuimatak sawan budak. Teusakara-kara nu ngepungngabereset lus les di nu poék.

“Kakang, tiris ah, cuangka bumi yu,” pamajikantipepereket nangkod, garé -yot-garéyot sada palupuh kagiridig léngkah duaan.

“Asa cikénéh Ki Sobat

ninggalkeun urang,” pok téhsatengah teu sadar sabot pa-majikan ngagéléhé kanalahunan. Gebeg, reuwaskareureuhnakeun sabab pa-majikan ngageunggeuik lirih,“Hampura Kakang Eulis.”

Basa sajleng-jleungeunrék ngabeledig Si TopéngLoréng aya nu anéh, tang-tungan jangkung gedé betngageter laju ngudpruktapak deku. Getihngabayabah kakarakkatangén tina sela-selatarumpahna.

“Aki…Enin…Andini,hampura kami,” soara ngo-som jeroeun topéngnaharoshos nahan kanyerimalah rék ngagurampélrubuh. Kuring kagét ku duaku tilu pangpangna ku polahSi Cadar Hideung nu nga-jorelat nyangkéh, jelasdengék awéwé,

“Kakaang?”Teregos diudar bréh

beungeut Andini nu geuscipruk ku cipanon. Nunyangheuy dinasangkéhanana ménta di-panglaankeun topéngna,bray gebeg!

“Danang!” Kuring jeungAki Uda ngedeprek, watirkana warugana. Dua balatinanceb dina dadana sedengpaser harupat ramipingsaawak-awak. Dina kaayaankumpeu balukar ngurutugnagetih, Danang bébéakanménta hampura. “Tepi kakieuna Jalu.” Aki Uda nga -limba, kuring ngudupungbéakeun ceta. Cenahsacunduk na ka Banten, nujadi kolotna geus pérén kor-ban kabengisan gorombolan.Sumpah supata nungkebanjabaning langit geusan malespati, nyawa kudu dibayar kunyawa deui. Blus nyamarjadi gorombolan samalahundak mampuh ngaragrag -keun gegedugna dina ijénpatutunggalan tepikeun katiwas. Kalungguhan pupuhu

saharita ragrag kana taktak -na tapi para anak buah anusatuhu ka gegedug pacun-dang nyieun makar malespulih, mucunghul dua kubu.Silih intip pati geus maranti.Pamustrunganana kasusudyén nu sok dikedok hulumaung téh wedalan paguronAki Uda.

“Andika sobat kula, kulanitip Andini. Wungkul dianu payus marengan kahiru-pan Andini lantaran kanyaahdia ka Andini sakembaranreujeung kanyaah kami,”kitu geter pamungkasDanang, ranggeumanananyeblok dina pigeulang ku -ring laju ngahanju teu usikdeui. Leungeun teu reureuhngusapan, ngulin-ngulintungtung buukna nu hi -deung meles, buuk galingmuntang pamajikan numatek kahéman.

“Kang, énjing urang kaAmbu sareng ka Abah,sakantenan hoyong jalan-jalan ka dayeuh,” pamajikanngagalindeng, ngabuntutsisimekeunana.

“Kantenan mangga, samiKakang gé tos kangen kaaranjeunna,” giak némbaltéh bari merenahkeunngedeng na ngaréndéng reu -jeung Si Jalu, teu lila géngageubra , lalayaran jeungSi Jalu jeroeun sagaraimpian, pantesna. Inget basakeur nyiramna,“Mun Gustimarengkeun brol Si utun injitéh lalaki, rék diarananDanang Sutawijaya geusanpanineungan ka Ki Sobat SiJawara Harupatséwu alias SiTopéng Loréng ti Pakulonannu séba nyawa turta nurutbuat, tafaul kana ngaranRaja Mataram nu ceukdongéng mampuh meruh -keun Ratu Laut Kidul.”

Pamajikan nu taya lianAndini unggeuk bari ram-bisak. Teu karasa ayeuna rékngadian deui ***

Panglawungan 13

Page 24: Mangle 2478

23Manglé 2478

Sei Tabirngagu lidagcaah, panonpoé mangsareup-reupan,layung di lan-

git beulah kulon ngempurhurung, satunggtung ténjoleuweung geledegan, daun-daun mayakpak héjo lirpermadani raksasa, sasa -toan leuweung, ramé di -sarada patembalan.

Patempatan nyingkur,jauh ka lembur, nyirurukdina saung bedeng, sisilamping anu lungkawing,ngabuang diri. Bongan dilemah cai sorangan, teu ayakeur ngagantungkeunpangharepan, tanah sundanu héjo lémbok, tanah sun -da nu cenah subur mak-mur, geuning teu bisa dipibaraya.

Dina golodog antengniup suling, lagu Sundacianjuran, Bulan mambranyaangan buruan, anginngahiliwir tingtrim, pikiranteng nutur-nutur sorasuling, nembus panglamu-nan.

Meunang salagu, eu-reun heula ngarénghappanjang, bet di pipireun ayaanu ngagerem, sorana jero,geueuman, piraku ayamaung onaman, nyulingdeui meulah kasimpé peu -ting, rus-ras wararaas. Nungagerem téh aya deui,tarik ayeuna mah, bedeng

ogé asa oyag, batur sabe-deng ngagajleng kajero,panto bedeng ditutupkeun,ret ka beulah katuhu, eu-leuh, enya baé aya si belanggedé naker, depa gigireunsarigsig bédéng, mun rékngarogahala mah babari -eun, sabab golodog téhayana di luar.

Teu ieuh sieun, étamaung téh langsung di geb -rag, terus diudag nepi kamaung leungit kana rung -kun, asup ka bédéng,babatu ran keur ngahodhodkasi ma, ngomongnaalawah-euleuweuh.

“Ari manéh, ma enyaaya maung ngadon di udag,hayang paéh anjeun téh?”

“Kabéh ogé bakal maotBasir, kaasup manéh.”

“Enya, tapi urangkakara manggihan ayajalma modél anjeun.”

“Kuring sieun kénéhnyanghareupan hirup,batan ku paéh.”

“Naha maké kitu?”“Sababna, kuring teu

boga kabeungbeurat, teudulur, teu baraya, hirup ditanah Sunda ukur pinang-gih jeung katunggaraan,mun paéh di dieu, moal ayaanu kaleungitan, moal ayaanu nyeungceurikan.”

“Kapan boga indungbapa, lain?”

“Bapa kuring kawindeui, indung kuringdiculkeun teu di urus.”

“Euleuh, ari indung an-jeun ayeuna aya dimana?”

“Panjang teuingdongéngna, isukan ari salsédi caritakeun.”

Isuk-isuk, kagareuwah -keun ku anu daratang,ngaleut dina parahu, lalakiwungkul, srog éta rombo -ng an téh ka buruan, terusuluk syalam, dibagéakeunsina ka jero, tapi anu asuptéh ukur tiluan aki-aki.

“Kulup, Ujang, aya béjamajar tadi peuting ayamacan ka dieu, enya étatéh?”

“Muhun, dupi Datukuninga ti saha?”

“Aya anu ngabéjaan.”“Teras maksad Datuk

sarombongan sumping kadieu, aya kaperyogiannaon?”

“Wayahna Hidep kuDatuk rék di tumbalan, an-jeun téh pasti boga cantrimaung, lamun teu di ala,engkéna di ati-atikeun.”

“Punten Datuk, kuringmah moal rék di ala cantri,pikeun kuring, maot kumaung, maot ku sato galaklainna, éta résiko hirupleuleuweungan.”

“Ning anjeun siga anunangtang, loba kajadiananu nangtang kitu sok terusdirogahala ku maung”.

“Hirup kuring sumerahkana papastén, rék maot kumaung, rék maot di jalan,rék maot di tempat saré,

kuring sumerah kanapangersa Gusti Alloh.”

“Ih, nya ari kitu mahterserah anjeun atuh,Datuk ukur rék nulungan,permisi kulup.”

Éta rombongan paraDatuk téh marulang,ngaleut dina parahu kagirang keun. Batur sabe-deng ngeluk tungkul teunyoara.

Hiji poé, di bedeng ukurnyorangan, bet karesel,ngaléos lumampah mapaysisi walungan Tabir, basangaléngkah dina palebahcatang buruk anu badag, tibeulah katuhu aya anu nga-gaur, dirérét, bet aya anungarontok ngarah punduk,rikat ngejat ka tukang, bréhmaung anu kacida badagnangolébat dina palebahpanon. Méméh maungngarontok deui, sakilat lun-cat ka hareup, gilek malikka palebah maung luncat,éta maung keur ngadakom,suku tukangna kokoér,matana mencrong ngabar -keun sima, ngageremngeun deurkeun jajantung,siap rék ngarontok deui.

Waktu adu pencrongjeung maung, sajuta rasapagaliwota dina dada,ayeuna meureun paéh téh,pileuleuyan Ema, pileu leu -yan tanah Sunda, tapiméméh paéh kudu nga -lawan heula, cadu kuduserah bongkokan. Prak

PPuridingPuringkak

Cantri MaungAndang S. Argayuda

Page 25: Mangle 2478

kuda-kuda pageuh naker,bedog diabar dina leungeunkatuhu, panon mencrongteu wani ngiceup, sieun di-bongohan.

“Hey maung, kop tahraga badag kula, teu nga -boga-boga, tapi méméhpaéh kula rék ngalawanheula, anjeun maung, kulaogé maung, kula datang katanah Sumatra lain palid kucikiih, kula teureuh Sili-wangi, maung Pajajaran,sok rék paheula-heula paéhmah jeung kula.” Bet teusadar maké kedal ucapmodél kitu, jeung tarikngagorowok, kuda-kuda

angger pageuh dina pasa -ngan Cikalongan.

Ajaib, duka ngartieun,duka éléh sima, éta maungtéh sanggeus diomonganankitu, ngagaur tarik naker,gajleng, gorobas, ngabelesatkana rungkun ngajauhan,asa teu percaya, asa arara -néh. Sanggeus kumpul deuipangacian, neruskeunlalampahan, muru ka ilirSei Tabir, srog ka leuweungdeui, sanggeus sababarahaléngkah bréh aya dano anucaina hérang ngagenclang.

Sakuriling dano hari -eum, areuy hoé pabeulit di-antara tangkal-tangkal

baradag, titingalian jadiheureut, jalan sorangeunjadi leungit. nyingkahanmaung anu tadi bet kalahkasarung ka alas banda -wasa, cahaya panonpoeukur reyem-reyem, hatéjadi seseblakan, kudu ka-mana suku ngaléngkah,sangkan bisa kaluar tileuweung geledegan ieu.

Hantem luak-lieuk,sasambat ka anu kawasa,ka indung bapa, tapi tetepbaé teu bisa ngarobahkaayaan, angger teu mang-gih jalan sorangeun, kaditu-ka dieu pinuh ku areuyhoé anu kumisna rambay

sareukeut. “Ehm,” keur baluweng,

keur bingung nu teu pang-gih jeung tungtung, sadaaya anu ngadéhém deukeutnaker.

“Eit, saha anjeun?”Kagét liwat saking, bettukangeun aya jalma kolotkeur ningalikeun.

“Ulah kagét kulup,Datuk lain jalma jahat.”

“Saha atuh Datuk téh,jeung anu ti mana?”

“Ngaran mah, DatukAbid, datuk urang dieu, tuhsaung Datuk beulah ditu.”Datuk Abid nuduhkeun hijibedeng sisi dano, padahal

Manglé 247824

PPuridingPuringkak

Page 26: Mangle 2478

25Manglé 2478

tadi mah bet asa teukatempo.

“Hatur nuhun, kuringditepangkeun jeung saliraDatuk.”

“Beu atuh urang kasaung Datuk, aya meureuncai kopi wae mah.” Teu hésébéléké, terus nuturkeunDatuk Abid muru bédéng -na, leutik saung téh, biliknatina kulit kayu, palupuhnaogé tina kulit kayu, hateup -na tina anyaman daunkiray. Di juru bédéng ayahawu tina tanah tumbuh,diamparan taneuh, sangkanseuneuna ulah keuna kanabédéng.

“Tah Kulup cai kopipanas, kopi Aceh, énakgeura, ngan Datuk teu bogalalawuhna.”

“Duh katampi Datuk,sakieu ogé kuring kacidanganuhunkeunnana.”

“Titingalian Datuk mah,anjeun téh lain urang dieu,jiga urang jauh.”

“Leres pisan, kuringdatang ti tanah sebrang,lunta ninggalkeun sarakan,ninggalkeun indung.”

“Loba teuing kabeung-beurat dina haté anjeun,tapi teu kudu ngabuangdiri, teu kudu aral subaha.”

“Sabenerna teu niatpikeun ngabuang diri, tapilalakon hirup bet ngang -kleung ka tempat hara-haraeun.”

“Anjeun téh turunanjawara, Datuk ogé apal,ngan anjeun kaasup jalmaépés méér, ari nyangha reu -pan maung, gedé kawani,tapi nyanghareup an dirisora ngan bet kawas anukalangsu.”

“Leres pisan Datuk, ku -ring sieun kénéh nyang-hareupan hirup, tibatannyanghareupan pi-paéheun.”

“Hirup di dunyasalawasna kakeunaan kudua perkara, aya susah ayasenang, aya poék aya caang,aya jauh aya deukeut.”

“Tapi ka kuring mah, geuning susah waé, poékwaé, jauh waé”

“Ih anaking, kulup,ujang, moal aya kasenang -an, tanpa ngalaman ka su -sah, moal aya kamulyaanhirup, tanpa ngalamankatunggaraan, ayeuna an-jeun asa diteungteuingananku nasib, tapi hiji waktu,anjeun bakal nganuhun-keun ka nu ngatur hirup an-jeun, anjeun bakal ngarasasukur ku dibéré ngalamanhirup anu pinuh ku katung-garaan model ayeuna.”

“Asa teu kahartos,Datuk.”

“Naha maké teu kaharti,pan anjeun téh terpelajar,béda jeung urang dieu anubuta hurup, anjeun mahjiga ngalaman sakolaluhur.”

“Ke, ari Datuk saleresnasaha, bet geuning jiga anuapal kana sagala kahirupankuring.”

“Datuk mah asli urangdieu, tempat asal mahDatuk téh urang Kerinci,ngan ayeuna keur ngalalanaka beh dieu, masalah apalka anjeun, kapan diri an-jeun anu ngabéjaan.”

“Asa can pernah bébéjananaon, pendak sarengDatuk ogé nembé ayeuna.”

“Sungut anjeun balem,tapi pikir anjeun ngacacangteu bisa cicing, anjeun teumedar lalakon, tapi haté an-jeun galécok nyaritakeunkanyeri kapeurih.”

“Tobat, leres pisanDatuk, kuring mamprungka bawa pikir anu salawas -na teu daék cicing, haté ku -ring gudawang ku kanyeri

kapeurih, tapi nepi ka ayeu -na can kapanggih ubarna.”

“Piubareun anjeun laindi dieu, tapi aya di lemahcai sorangan, ceuk Datukmah anjeun leuwih hadégeura mulang, karunya kaindung anjeun, ti saprak an-jeun miang, indung anjeungering pikir.”

“Rumasa, salila tilu taunleuleuweungan, can kungsingirim béja kanu jadi in-dung, rék mulang can bogabekel.”

“Pan Anjeun mahngumbara lain rék néangandunya, tapi néang pangala-man, ayeuna mah geuspeuting, batur anjeun leu -ngi teun ku diri anjeun, junggeura mulang.”

“Tapi pan teu apaljalan.”

“Nam di jajapkeun kuDatuk, tuturkeun Datuk,tapi peupeujeuh tong luaklieuk.”

Nuturkeun Datuk Abidmapay-mapay jalan sata-pak, anu tadi mah teu ka-panggih, teu sabaraha lilabedeng tempat nyiruruk téhgeus témbong.

“Tuh tempat anjeungeus témbong, Datuk nganbisa jajap nepi ka dieu,Datuk rék mulang deui,pileuleuyan Jalu”. Sanggeusngomong kitu si Datuk téhsalto luncat kana rungkun,gorobas, gaur, sora maungtarik naker.

“Allohhu Akbarr, geu -ningan si Datuk téh maung,jigana anu tadi narajang,ieu meureun anu disebutharimau campa téh, atawamaung kajajadén téa.”Kagét lain babasaan, teunyangka geuning datukAbid téh maung anu tadi.

Kasampak di bedengloba jalma, sada keur ngajiYa-Siin, terus keketrok bari

uluk syalam, panto bedengaya anu ngabukakeun, lol siBasir ngelol.

“Hantu, tulung ayahantu,” Si Basir ceuceu -leuweuhan bari lumpat ka-jero, anu keur ngaji buriaklalumpatan.

“Hey Basir, lain jurigurang mah, masih hirup, pi-raku jalma hirup disebutjurig, teungteuingeunmanéh mah.”

“Lain jurig? duh ham-pura dulur, ari sugan an-jeun téh geus palastra direwag maung.”

“Ari manéh Basir, kababatu ran téh bet kawasanu mupuas.”

“Duh ulah salah harti,urang jeung batur-baturkeur ngadu’akeun anjeun,da sugan mah enya anjeuntéh ditewak maung, pédahaya anu nempoeun ti ka-jauhan, cenah anjeun dirontok maung, sukur an-jeun datang deui.”

“Panjang teuingdongeng na, kuring lapar,aya dahareun teu?”

“Éta kabeneran ayasangu goréng, maksudnadahareun saréréa, lamungeus réngsé ngaji, urangdahar bareng baé atuh sok.”

Sangu goréng di terian,lalabna buah takokak, beu-teung keur kacida laparna,mani asa kokoro manggihmulud, puasa manggihlebaran. Di luar langitlénglang, béntang bara -nang, ras inget ka nu jadiindung, enya meureun in-dung téh gering, sabab tisaprak ninggalkeun lemburcan pernah méré béja, dapuguh hirup aya di leu -weung geledegan, teu ayapatali marga, teu aya jangtunda talatah.***Sei Tabir - Rantau Pan-jang, Jambi Th. 1979

Page 27: Mangle 2478

CCarita Heubeul

V. GOGODA

Kacaritakeundina hijipeuting,kabeneranpoék mong -kléng buta-

rajin, langit angkeub, teu ayabéntang hiji-hiji acan nukatémbong. Hawa karasanamunggah nyongkab, lantaranpihujaneun tacan ragrag.Kilat na pating burinyay, di -sambung ku sora guludugngage leder ti kajauhan. Dijalan jeung di lembur-lemburéstu sepi jempling matakkeueung, geus teu aya nungulampreng-ngulamprengacan, kolot-budak geusarampih, sieuneun ku poékjeung hujan anu rék ragrag.

Dipati Ukur harita dibumi na, kakara lugay tinawiridan isa. Anjeunna téh bu men-bumenna nyalira kénéh,henteu acan rimbitan. Arisababna lain henteu aya putraménak anu palayeun dipigar -wa. Puguh baé réa mah, ti

ditu ti dieu anu rék mulungmantu ka anjeunna, malahlain si itu si éta, tapi sakabéh -na tedak karaton. Atuh kukitu téa mah, saha anu henteuhayang mulung mantu, jeungmojang mana anu henteukersa dipigarwa, ningal rupijeung dedeg pangadegna Di-pati Ukur, anu sakitu kasépnajeung raspatina. Katurug-turug sakitu anom kénéh geusngagem kalungguhan adipati,kumaha teu pada rék kabong -roy. Pantes pisan lamun réamojang anu ngahélaran kapakuwonna susuganan satrialongger pancuhna. Tapi saka -béh ogé nyamos, eupan kieueupan kitu weuteuh taya nudisanggut. Samalah dina hijiwaktu mah, Dipati Ukurkungsi dipariksa ku Sultan,naon sababna anu mataktacan milih pigarwaeun. Ariwalerna henteu panjang,pajar keun téh tacan dugi kawaktosna, Padahal ari sa e -nyana mah, anjeunna téhgeus jangji ka salirana ku an-jeun, upama kagungan garwa

téh hoyong ka putri tedakPajaja ran, ngarah sadarahjeung saturunan. SanggeusDipati Ukur kaluar ti kamartempat netepan jeung semedi,henteu ujug-ujug terus kapajua ran, gék calik heula dipatengahan, kersana badéngaos bari ngalenyepanwawacan suluk, parimbon numedar lalakon Wali Sasanga.Ari kalang geng an anjeunna,saréngséna ngajalankeunkawajiban sadidinten, teu ayadeui ngan ngotéktak jeungnyungsi élmu kabatinan, di -selang-selang ku ngulikkabudaya an jeung kasenian.

Dipati Ukur nuju antengngalenyepan wiridan SyehSiti Jenar, anu ngébréhkeunsalangsurupna sipat-sipat ka-Allah-an. Ku anjeunna diaosdibulak-balik, disungsi di su -sul tepus. Keur anteng kitu,kadangu di luar aya anu pu -puntenan, sorana kasawur kuséahna angin jeung hujan nurag-rag paparalakan. Baranggeus sidik, nyata aya nu pu -puntenan, malah kadanguna

tetela sora awéwé, gancangpanto payunna ku anjeunnadibuka. Barang bray katingaliaya awéwé, eukeur nangtungdi émpér payun, dikukudungku karémbong. Henteu acansidik ari saha-sahana mah, dapuguh ngan kacaangan sa -eutik ku damar ti tengahbumi. Gancang ku anjeunnadipa riksa, disaha-saha. Nudipa riksa gasik ngawalon,sora na rintih tur halon:

“Jisim abdi ti dinya tipakuwon Kadipatén Rong -gonatan,’’ Barang kadangunyebut-nyebat kadipaténRonggonatan, enggal DipatiUkur ngarampeskeun:

“Sumangga atuh lebet,ulah ngadeg di dinya, ieugeuning hujan angin sakieuageungna, bilih kasawéran,”

henteu kungsi mindomiwarang na, nu diram-peskeun téh gancang asup kajero, leumpangna sasampoyo -ngan, tanda hormat ka anukagung an bumi. Barang geusaya di patengahan, gék calikdina ambén anu geus di-

Manglé 247826

{ 1212 }

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

Page 28: Mangle 2478

amparan ku permedani. Gan-cang kukudungna dibuka; aribréh pameunteu hiji istri anupohara geulisna. Pameunteungadaun seureuh, kulitbolang kahieuman, kasinaransorot damar. Atuh komo baématak uruy nu ningali, matakkabéngbat nu tapa, lamun ku-rang-kurang pangernamah.

Dipati Ukur sakeda-pan mah olohok baé, teulemek teu nyarék, raosasa dina pangimpian.Henteu sangka kabina-bina lain wayah lainmangsa, katatamuan kuhiji istri anu sakituéndah na, geulis momanggih tandingna.Gancang anjeunna istig-par bari ngusap raray,ras émut yén tatamuanu dipayunan téh Raden Ajeng Werda -ning sih, garwana KyaiAdipati Ronggonoto.Sanggeus émutananakumpul kabéh, DipatiUkur rintih ngalahir:

“Sadkula gaduh raoskahemengan, wengi-wengi tur kaayaan anusakieu waluratna, ka-sumpingan ku saliraRadén Ayu. Naon nyapangersa, naha sumpingtéh kersa ku anjeun,atanapi ngémban tim-balan jengraka?”

Dén Ajeng Werda -ningsih, enggalngawaler, sowantennangagalindeng bari di -selang ku imut, mataknambahan sarina:

“Hatur nuhun kanapamariksa, sinarengankersa nampi. Badé eng-gal baé miunjuk, naon margi -na anu mawi sadkaulatumorojog tanpa larapan,malah ngahaja dongkap téhwengi-wengi, supados ulahaya nu terangeun.”Sasauranana kendel sakedap,ampuh tumungkul jiga anukeur ngagalih, kumahaterusna piunjuk. Tuluy

cengkat deui, rét ningali ka numayunan, nyeh imut ngan-dung pangemat. Pok deuisasauran:

“Sadkaula dongkap téhéstu karep pribados. Samalahmios ti rorompok ogé ésturerencepan, ngantosan poékheula, nya éta inggis bilih aya

anu nangenan. Gaduh mak-sad hoyong ngadeuheusanmah parantos lami, namungnembé tiasa kalaksanakeunayeuna.”

Dipati Ukur ngadangukasauran Den Ajeng Werda -ningsih kitu, manahna ratugbawaning ku reuwas jeungsieun nu geulis ngajak teu

puguh, ngagendam rék mawasasar. Ras anjeunna émutkana kasauran sepuh: “nugeulis jadi werejit, nu lenjangjadi baruang, temahnakasasar lampah”.

Rintih anjeunna ngalahir,ulat henteu méré budi, anubakal jadi gogoda, mawa jalan

ka nu teu uni:“Den Ayu, sumangga éng-

gal lisankeun, naon pikersa -eun téh atuh anu mawirerencepan kitu, sadkulasakalintang reuwasna, hatéraos gaduh dosa.”

“Kieu geura sumanggadangukeun. Dupi ajenganuninga atanapi ngaraos, yén

pun lanceuk Kang Mas Adi-pati Ronggonoto poharaceuceubna ka salira?”

“Terang sareng karaospisan,” waler Dipati Ukurayem.

“Nuhun ari parantosuninga mah,” saur Raden AyuWerda¬ningsih. “Tah ku

margi éta, pun lanceukteu liren-liren milarirekadaya, supadossalira ajengan cilaka,atanapi sakirang-kirang na dibenduan kuKangjeng Sultan. Seringanjeunna, minang -saraya sareng ngupahka ditu ka dieu, nga -guna keun jalan kasarjalan lembut, sangkanhasil pamaksudanana.”

“Den Ayu, sadkaulahenteu ngartos, naonmargina anu mawi aje -ngan dumugi ka nolas,kersa ngabuka rasiahanu jadi carogé. Cékémutan, rasiah anu jadicarogé, sasatna rasiahsalira ku anjeun kénéh,”

“Leres pisan salahirpanjenengan. Nangingdina perkawis ieu mah,narah kaula kababan-tun. Kana tekad sarengtingkah-laku punlanceuk anu sakituawonna, piraku kaulakedah pipilueun.

Sanajan ku salaki,anu kedah sapapait-samamanis, narah aridibantun doraka mah,ngajalankeun peta anusakitu nistana, hasud kapapada kaula, nyatananya ka salira panjene -ngan, anu henteu tuahhenteu dosa.”

“Naha atuh ku salira DenAyu henteu diémutan atanapidiwagel?

” Dipati Ukur tumarosnakitu téh jiga anu weléh henteungartos, aya istri kelungabolékérkeun rasiah nujadi carogé.

(lajengkeuneun)

27Manglé 2478

Page 29: Mangle 2478

Manglé 247828

Bagian

209

CCarita Nyambung

Peuting ka-259

Aladin ngu -ngun. Bi -ngunglan taran kudusagancangnapapisah jeung

pamajikan ana. Padahal,sanggeus dirapalan saterusnangobrol kapapanjangan, betcocog jeung haté pamajikan -ana téh. Ku lantaran kitu,samar bisa hirup tingtrimupama hirup teu dibarenganku pamaji kan ana mah.

“Ku naon kakang téh betkawas nu sedih?” ceujJubaedah.

“Rek teu sedih kumaha,da meureun kudu gancangpapisah,” ceuk Aladin.

Saterusna Jubaédah téhnalék Aladin. Cenah, munbener-bener micinta dirina,taya saurang ogé nu bisa mi -sah keun maranéhna. Kajaba,cenah mun Aladin, mémangboga karep ninggalkeunmanéhna.

“Ih, mun boga tekad pi -pisa han mah moal ngarasa

sedih atuh!” ceuk Aladin.“Nya ari kitu mah, sukur

atuh,” ceuk pamajikanana.Jubaédah ngadeukeutan

salakina. Pok cacarita, intinamah, mun enya Aladin masihkénéh mitineung manéhna,atuh kudu aya hojah. Carana,gampang kari néangan alesannu pikahartikeun ku balaréa.Da, ceuk Jubaédah, sagalaaturan téh aya tatapakanana.Cindekna, mun pangulunitah Aladin nyerahkeun,kari nanya, aturan mana nudipaké di éta nagri téh.

“Tanyakeun majhabmana nu ngabenerkeunkawin bada isa sarta kududiserahkeun bada subuh!”ceuk Jubaédah mapatahansalakina. Aladin kakarangarti, éta alesan téh bisa di-tarima ku nu boga wewenangmutuskeun. Tapi, dirina teuyakin lantaran kaayaan dirinahéngkér kacida. Manéhnamah, apan lain si itu si éta,lain jalma sohor nu bisa meu-nang kauntungan tina atur -an.

Ngadéngé omongansalakina nu cangcaya kanatarekahna, Jubaédah ngarti.Pok deui mapatahan salakinasangkan paduna ka panghuluditarima sarta dibenerkeunku pangadilan. Satutas nya ri -ta kitu, song wéh mikeun duitsaratus dinar ka salaki na.Maksud Jubaédah, éta duittéh keur panyogok ka patugasnu mutuskeun perkarana.Malah, kituna téh lain kasaurang, tapi kudu kasababaraha urang kaasuppatugas séjénna. Geus ngartimah, Aladin téh berag.

Keur guntréng, kadéngéaya nu ngetrokan panto.Singhoréng téh patugas juru -ngan pangulu nu ngangkirAladin sina datang ka panga -dilan. Gancang Jubaédahmuka panto, sarta nitah asupka semah téa.

“Ayeuna waktuna nyerah -keun pamajikan anjeun dipangadilan,” ceuk asisténpangulu.

Aladin nyampeurkeun.Ngajak sasalaman ka semahbari ngeupeulkeun duit limadinar kana leungeun pangulutéa. Saterusna, nyarita ka

sémah, nanyakeun hukummazhab nu ngabenerkeunmaksa pipisahan nu embungpapisah.

“Mémang, taya mazhabnu ngabenerkeun kana étaaturan,” ceuk asisten pangulubari mésem. Sup manéhnangasupkeun duit kana sakujubahna. Saterusna, ngajakAladin milu nuturkeun,miang ka pangadilan. Jubaé-dah gé nuturkeun, da hayangpuguh bulé-hideungna.

Anjog ka kapangadilan,bapa Jubaedah gé nyampak.Paromanna hegar, lantaranbangbaluh nu salila ieu nyim -butan pipikirnanan bakaltéréh réngsé. Inyana ngarasayakin yén kawin kontrakanakna jeung Aladin bisapegat saharita di pangadilan.

Pangulu nu rék mutus -keun geus sadia. Diuk dinaméja bari ngimeutan keretaskawin kontrak Aladin kaJuabédah. Mémang, kitueusi na surat téh, Aladin kudunyerahkeun pamjikanana.

“Luyu jeung eusi kontrak,andika kudu nyerahkeun pa-majikanana,” pokna bari ngi -sara han sangkan aladin

Page 30: Mangle 2478

29Manglé 2478

nyampeurkeun manehna.Jung Aladin cengkat.

Maju ka lebah pangulu. Kitu -na téh bari nyolongkrongngajak sasalaman.

Gep leung eun pataremajeung leungeun pangulu. Nyadina kaayaan kitu, Aladinngeupeulkeun dinar nukarasana nu narima téhmatak bungah. Sanggeusmikeun duit, Aladin nanya -keun mazhab nu ngabener -keun pipisahan manehna kucara dipaksa kawas kitu. Nya,tangtu wé, pangulu téh nga-jawab sajalantrahna. Cenah,taya hiji oge mazhab nu

ngabenrkeun kawin bada isaterus kudu pepegatan peutingéta kénéh bada subuh.

Ngadenge caritaan pa -ngulu kitu, kolot Jubaédahnembongkeun pasemon nukagét jeung teu panuju.Ngan, teu bisa majar kuma -ha, da kudu nurut kana putu-san pangadilan.

“Lamun embung nyerah -keun, kudu mayar maskawinsapuluh rébu dinar.”

Aladin nyanggupan. Ceukpikirna, bisa ménta ka kolot -na di Mesir. Ukur butuh duitsakitu mah, moal kudu ngu -yang ka batur da puguh kula -

wargana téh jalma jugala.“Dangka waktuna tilu

poé,” ceuk kolot Jubaédah.“Ulah tilu poe, sapuluh

poé ti ayeuna,” ceuk panguluméré lolongkrang.

Kolot Jubaédah nurut.Ceuk pikirna, Aladin moalsanggup mayar, da sidik étapamuda mah teu bogananaon. Hirup nunggelis tayapuntanganeun.

Ti pangadilan, Jubaédahjeung Aladin balik deui kaimahna. Guntréng ngobrolneangan akal geusanngungkulan éta pasualan.Waktu sapuluh poé, moal

cukup ngumpulkeun duitsakitu gedéna. Najan kitu,Aladin rék pasrah kuamahabéhna.

Dina hiji peuting, ka imahJubaédah aya nu keketrok.Harita téh, pribumi awéwémah saperti biasa nga-haleuangkeun sair baridipirig ku siterna. Gigir eun -ana Aladin nu bagja tayapapada na, asa dipépénde kusora pamajikanana.

“Saha di luar,” ceukJubaédah ngarérét ka salaki -na. Nu dirérét surti, terusngojengkang kana panto.Breh sémah opatan, nilik pa-pakéanana mah kaum darwisnu biasa ngalalana ka sabantempat. Salasaurang ti se -mah téa netelakeun jati diri -na. Cenah, arinyana téhkabeneran ngaliwat ka lebahdinya, ngadéngé haleuangsair. Kacida katajina, nusaterusna hayang ngadé -déngé keun sair-sair séjénna.

Horéng, sabenerna mah,éta nu opatan téh rombonganHolipah Harun Al-Rasyid nubiasa ngalanglang lemburméh saban peuting. Pangnaanjog ka dinya, mémanghayang apal kana kaayaan diéta imah. Malum, holipahloba pagawéna kaasup nupurah nalingakeun kaayaanrahayat. Ngadéngé kawas ayapasulan di éta imah, holipahngajak pangiringna tiluan,Jafat, Abu Nawas, jeung Mas-rur.

Sabada ngobrol ka ditu kadieu, Aladin balaka. Cenah,dirina téh keur bingung lan-taran nyanghareupan pasua -lan nu teu gampangdiungkulanana. Nagdéngécarita kitu, semah téh sadiangabantu lantaran loba baladbisa ngumpulkeun duit keursumbangkeuneun ka Aladin.

Aladin nu teu apaleun kaholipah. Atuh, percaya teueprcaya. Ngan, kakara aya nungajangjian rék ngabantu gébungah kacida. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle 2478

Manglé 2478

WAYANG ngalalakonkeun ka -hirupan manusa. Enya, kahiru-pan sapopoé. Hanas aya

bagian carita anu teu manjing di akal, étamah ukur pangjangkep reujeung papa -és—kawas kasuktan-kasaktén, alamkahiya ngan, atawa sasatoan bisaeunnyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deuiajén-inajén anu dikandungna, éta téhsagemblengna meunang ngaludang tinakahirupan urang.

Ngan anéhna, naonsababna bentuk wayangteu persis niron poto -ngan jalma? Sirahnagedé teuing, teu ngimba -ngan ukuran awakna.Kitu deui leungeunna,paranjang jeung laleutikteuing. Keureutan beu -ngeut na ogé, jajauheunti rupa urang. Aya anuirungna gedé, aya anumatana bolotot, aya anuhuntuna mudal ka luar,jeung sajabana. Bédajeung di batur, lalakonanu sumberna tinakahirupan manusa téh,ana dipagelarkeun kubentuk boné ka, ilaharnaniron rupa jeung pro-porsi awak jelema. Malahaya anu ukuran gedé jeung jang kungnabadan gé disarua keun jeung badan urang.Rupa jeung bentuk bonéka anu dipaké dibatur mah teu némbongkeun ayana unsurdistorsi, sabab disarimbagkeun jeungbadaniah urang.

“Mun ditingal tina kasang tukanglahirna wayang di urang, éta téh mémangdihaja sina kitu,” cék Drs. H. Anang Per-mana (80 taun), dalang kasepuhan tiUjungberung anu kasohor tapis nyieunwayang.

Wayang jieunanana, aya anu dikoléksidi Jepang, Singapura, Inggris, Walanda,jeung Amérika. Ieu Ketua Jurusan Pada -langan di SMKI manten téh kungsi dipen-tés pinton wewesén dina kagiatan Expo1970, di Osaka, Jepang.

Dina mangsa-mangsa munggaran

asupna Islam ka urang, kitu cék Anang,wayang téh dipaké média pikeunnyebarkeun ana. Da’wahna para wali téhapan dibungkus ku kasenian. Jigana mahlantaran diluyukeun jeung kaayaan masa -ra kat jaman harita. Jadi, lain dimimitianku medar ayat atawa mesék hadis, jajau -heun mun bari ngacung-ngacungpakarang. Saréat Islam téh diaworkeunjeung budaya anu dalit dina kahirupan

sapopoé. Éta waé geuning buktina, ajianPrabu Darmakusumah alias Yudistira ogé,kalimusada, apan jadi kalimah sahadat.

Najan sina awor jeung budaya anugeus nyampak leuwih ti heula, tapi ayababagian anu dibédakeun. Bisa jadimeureun pikeun nandeskeun yén dinagarapan wayang téh aya muatan anusumber na tina ajaran Islam.

“Salah sawios di antawisna nya dinangadamel bentukna téa,” cék Anang. “Dinapaélmuan ngadamel wayang mah disebat -na didéformasikeun éta téh.”

Dina jaman para wali nyebarkeunIslam, di urang, anu geus leuwih ti heulawanoh kana ajaran Hindu atawa Budhaapan geus aya patung reujeung arca, anurupa reujeung bentukna ilahar nyonto kajelema. Mémang aya éta gé arca anu rada

méngpar, upamana Ganésha anu sirahnagajah. Tapi da ari dina karéréanana mah,sakumaha anu kapanggih di musieumnasio nal, angger wé néplak postur jelema.

“Éta pangna bentuk wayang dibénten -keun ti arca, anu tos dianggap jadi bandaluareun Islam. Bari jeung apan ari arcaatanapi patung mah sok dianggo sesemba-han. Rupina, upami bentuk wa yang nironarca mah, inggis engkéna bilih disarem-

bah, ” pokna. Lianti éta, dina ajaranIslam téh apan ayapapahaman yénteu meu nangbarang jieun anunyarupa an mahlukGusti.

K a t e r a n g a nAnang bieu pikeunleuwih nandes -keun alesan naonpangna bentukwayang teudijelema keun. Mé-mang kitu tibaheula na, ti keurjaman wa yangkulit kénéh, anusaterusna di Sundalahir wa yang golék.

“Ari pikeunBapa mah, bentuk

wayang didéformasikeun téh sale res nalangkung seueur disawang tina sisiéstétika. Upami wayang bentukna kawasawak jalmi, bakal hésé dina nuju diigel -keunana. Cobi waé, apan kélék wayangmah langab, teu rapet kawas urang. Upamiteu sina langab, bakal kawatesanan dinangigelkeunana ogé,” cék Anang.

* Pama disalusur asal-muasalna,

wayang golék anu ayeuna hirup di urangtéh apan bibitna mah ti Jawa, ngan di di -euna dirobah ku karancagé para semiman -na. Mimitina asup heula ka Cirebon, teruska Priangan, balukar tina lancarna patalimarga, nyaéta ti saprak aya jalan raya posjieunan Daendels. Masih kénéh wayangkulit harita mah, basana gé basa Jawa.

Naha ari urang Sunda baheula teu

Naon Sababna Rupa jeung Bentuk Wayang teu Dijelemakeun

30

PPanineungan

Anang Permana, dalang jeung ahli nyieun wayang

Page 32: Mangle 2478

31Manglé 2478

boga eun kasenian wayang kitu, tepi kakudu nguyang ti Jawa?

Saenyana, lamun urang ngungkabannaskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesi -an (ditulis taun 1618 Maséhi), aya ka tera -ngan kieu:

Hayang nyaho di sakwéh ning caritama: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna,Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adi-parwa, Korawa-sarma, Bimasorga, RanggaLawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka,Jarini, Tantri; sing sawatek carita mamémén tanya.Hayang nyaho di pantun ma:Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi,Haturwangi; prepantun tanya.

(Mun hayang nyaho sakabéh carita,kayaning: Damarjati, Sanghyang Bayu,Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma,Rama yana, Adiparwa, Korawasarma, Bi-masorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana,Kala Purbaka, Jarini, Tantri, nya sagalarupa carita pék tanya dalang. Lamunhayang nyaho ngeunaan pantun, kayaning:Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi,Haturwangi; pék tanya juru pantun.)

Jadi, cék éta naskah mah, urang Sundaogé geuning bogaeun carita wayang téh.Ulah waka disebut wayang atuh, tapilalakon (teuing kumaha jenggélénganana)anu jadi garapan dalang. Ngan hanjakalnatéh kiwari urang teu kawaris sésa-sésana.Urang teu apal, kumaha ari carita Rama -yana jaman Pajajaran téh, da lalakonnageus teu kasusud. Terus deuih, naha étalalakon Ramayana jaman harita téh di-pagelarkeunana maké médium bonéka anuku urang ayeuna ilahar disebut wayang?Taya kateranganana. Minangka anu nyésatéh, tur tepi ka urang ayeuna, nyaéta caritapantun.

*Urang balik deui kana pedaran wayang

golek anu tepi ka ayeuna hirup dina kaseni -an Sunda, anu terus tatalépa kawariskeuntepi ka ayeuna. Harita, aya ahli nyieunwayang kulit, ngaran Ki Darman, bumén-buménna di Cibiru, Bandung Wétan. Ariasalna mah Ki Darman téh ti Cirebon.Sanggeus pindah ka Cibiru gé masih kénéhterus nyieunan wayang kulit, keur pakéeunpara dalang di Priangan. Nya ka kaémpér-émpér ka Bupati Bandung anu katelah R.Wiranatakusumah III (Dalem Karang -anyar), anu saterusna méré pancén ka KiDarman pikeun nyoba-nyoba nyieunwayang tina kai. Jieunan Ki Darman anumimiti, masih kénéh néplak pola wayangkulit. Dalém Karanganyar kurang sugema,terus ngasongkeun saran sangkan bentuk -na dirobah deui. Nya ahirna ngajanggélékwaé wayang golék sakumaha anu kiwari

aya. Kecap golék téh cenah kirata, nyaétadiugal-égol jeung diulak-olék—maksudnamah diibingkeun. Enya, apan ari wayanggolék mah kaasup barang tilu diménsi,béda jeung wayang kulit anu ngan ukur duadiménsi.

Nya ti harita di Sunda aya wayang goléktéh, najan ari basa anu dipaké dinapintonan ana mah angger ku basa Jawa.Mimiti dirobah jadi basa Sunda téh dinajaman Dalem Bintang alias R.A.A.Wiranata kusumah IV (1846-1874). Kitu ogéanu dirobah téh ukur dina ngadadar lalakon,da ari kakawénna mah masih angger kubasa Jawa, tug tepi ka ayeuna ogé.

Anang (lahirna di Ciwidéy, turunandalang ti bapa anu katelah Entum Wira -atmadja), mimiti guguru nyieun wayangtaun 1950-an, satamatna ti SGB, ka UdinSuparta, urang Cibiru. Ari Udin Suparta téhgenerasi katilu ti Ki Darman.

Dibandingkeun jeung tukang nyieunwayang lianna, Anang aya punjulna. Arisababna, Anang mah dalang anu kungsikakoncara dina jamanna. Lian ti éta, hen-teu ngan sawates jadi kréator seni wungkuldeuih, tapi mampuh ngarumuskeunpaélmuan ana. Éta pangna ayeuna remenjadi pananyaan dalang yunior gé.

Cék Anang, teu loba dalang anu baribisa nyieun wayang téh. Ari sababna mahlantaran aya “tetekon”: dalang mah peu-peujeuh ulah nyieunan wayang, bisi nga -dalangna teu payu.

“Mémang leres, kitu. Dalang mah leresulah pirajeunan ngadamel wayang, upaminuju manggung, hé-hé-héh ...,” pokna. “AriBapa mah, manggung kantos sering, dinajaman keur ngora mah. Atuh dina nga -damel wayang, dugi ka ayeuna gé masihkénéh dikeureuyeuh. Mung pédah ayeunamah dina ngukirna anu rada abot téh,margi kondisi panon tos robih.”

Wayang golék téh dina rupa reujeunghiasanana néplak kana wayang kulit mi-nangka babonna. Tapi, dina sawatarabagian mah aya anu dirobah; upamana waékilat bahu anu aya dina leungeun Gatot-gaca. Dina wayang kulit, éta kilat bahu téhdirupakeun oray, ari dina wayang golékmah manuk galudra.

*Nyieun wayang golék geus pasti kana

réa unak-anikna. Anu pangheulana, kudunyieun bentuk; ngawengku sirah, leu ng -eun, jeung awak. Ti dinya terus diukir. Ariukiran dina wayang, pangpangna lebahmakuta, apan sakitu renyekna, dirungkal-ringkel. Kasawang kumaha leukleukna,nyo dét-nyodétkeun tungtung péso rautdina ukuran mimilian.

Terus nincak kana ngecét, anu saruadeuih leukleukna. Kitu deui lebah gradasi(béda-bédana) warna, sarua deuih loba anudina ukuran miliméter—ukur saluhureunbuuk. Mun geus dicét, terus dirangki jaditangtungan wayang. Diceceban campurit,dijieunna tina awi, tungtung handapnadiseukeutan, minangka paniir sirah jeungawak (lamun keur diigelkeun, wayang téhdicekel campuritna). Bagian leungeunnaditiir ku bola kasur, ngarah bisa digerak -keun. Tina tungtung dampal leungeunna,disambung ku tuding (sarua deuih bahan -na tina awi). Bérés éta, terus kudu dipasa -ngan hiasan (asésoris) reujeungsamping na.

Ku nilik prosésna kawas kitu, kahartilamun nyieun wayang golék (anu alus) mahteu cukup ku sapoé. “Dina saminggu téh,paling tiasa ogé ukur ngaréngsékeun hiji,”cék Anang.

Anu matak, pantes mun hargana mahalgé. Wayang golék jieunan Anang, hijinarata-rata harga sajuta rupia. Mun pesensakotak, anu eusina 117 wayang, nya karingalikeun waé, kira-kira sabarahapipangajieun ana. Jauh tangéh mundibandingkeun jeung harga wayang anusok diasong-asong ka para turis, anu harga -na bisa Rp 15 rébuan.

Mun diukur ku bahanna ogé, hargasakitu mah asa teu katulup aya buruhanpikeun anu nyieunna. Ayeuna, harga kai al-basia ogé pan geus sabaraha. Tacan deuihharga cét, terus bahan keur samping, reu-jeung asésoris lianna. Sabaraha buruh keurpangrajinna atuh?

Waktu Anang rék ka Osaka (taun1970), harita harga wayang sakotakna téhRp 25 rébu. Tapi, jualeun di Jepang mahsapuluh tikeleun ti éta. Ari sababna,dijieun na ogé enya-enya apik; boh dinaukir-ukiranana, boh dina ngecétna. Malahsampingna ogé maké batik tulis nu harganamahal. Kitu deui minangka hiasanana téhmaké ditarétés ku permata sagala. Kiwariéta wayang jieunan Anang téh dikoléksi diJepang. Ayeuna, bentuk jeung rupa wayangtéh aya anu disarimbagkeun jeung jelema.Mimitina mah ukur tokoh emban jeungBatara Guru anu dijieun kitu téh. Kadieuna keun mah tokoh-tokoh séjénna ogéaya dirobah.

“Ari cék pamendak Bapa mah, bentuksareng rupi wayang téh tos waé sina kawasasalna. Ulah dirobih dijalmikeun,” poknamungkas obrolan. ***

(Tatang Sumarsono, StafKhusus Bidang Budaya Rektor

Unpas)

Page 33: Mangle 2478

Manglé 247832

CCarita Nyambung

Ngan da teukalis ku sakitugeuning.Manéhnamah anggersok ngontak

kénéh kana hapé. Sok kalah bi -ngung sorangan lamun kabene -ran manéhna nga-SMS atawanelepon téh. Kuring ngarti,najan haté leutik mah bangetteu mikeun, manéhna milikbatur. Enya, lain nu kuring deui,najan can sagemblengna. Damun téa mah geus korédasnapisan, mustahil atuh manéhnamaké pangangguran ngontak.

Lain ku éta-éta teuingsaenyana anu matak kuringhoréam ngalayanan téh. Para -lun, lain teu hayang ngaragaphaté manéhna deuih. Nyahokuring gé, lamun manéhnasaenyana sarua nandangan laratunggara. Ku dua ku tilu malah.Lebah dinyana teu ngabibisani.Da sakalieun manéhna nelepongé apan sok dibarung ku ing-hak-inghakan. Tapi apan hatésorangan gé sakitu nalangsana.Béh dituna, mun narima atawanampa SMS ti manéhna, asakalah beuki nyuat-nyuat deui.Tug ka teu kaampeuhna saka -peung mah rarasaan téh.

Sakapeung sok aya ingetanmending neukteuk bari anggeussakalian. Tapi ka dituna ukursemet sabil dina haté. Unggal-unggal aya maksud ngagantikartu, unggal-unggal kuringngarasa teu wasa. Kalah SMS-SMS ti manéhna anu sok lajudibacaan deui. Kitu deui sakurbarang anu raket patalina jeungmanéhna. Poto-poto manéhna,gantungan konci, topi, jeungteuing naon deui. Sok rajeunaya ingetan hayang miceun étakabéh barang. Tapi dina empro -na mah kalah mindeng ditatap-diusap. Asa beurat ka bina-binarék dipiceun téh. Sarua jeungbeuratna mopohokeun pirang-pirang kalang kang basa keurbabarengan jeung manéhna,anu dihualkeun ku éta kabéhbarang.

Enya, ku hayang mopoho -keun manéhna téh. Tapi dinaemprona bet kalah beuki telebkainget-inget. Teu sirikna ung-gal waktu angger karasa ma néh -na téh. Asa dédéngéeun kénéhku sorana.

Asa deudeuleueun kénéhku rupana.

Kuring gé ngarti, dina seuh-seuhanana mah éta kabéh téhmémang kanyataan anu moal

bisa disingkahan. Da ulah bonsual telepon atawa barang-barang nu laleutik. Dalah kabéhtempat di sabudeureun gésasatna mah apan mangrupakasang basa kuring babarenganjeung manéhna. Kabéh tempatanu sok dicicingan, diliwatan,dianjangan. Teu weléh kabéhan ana ngahualkeun ingetan kamanéhna.

Sakalieun ngaliwat ka ter-minal ogé, saupama rék indit kakampus, sok laju ngarandegneuteup tukang batagor deu -keut pos pulisi. Teu pira tukangbatagor. Tapi di dinya sok asanémbongan deui ringkang ma -néh na basa keur jajan ka siemang éta. Kitu deui lebah asupka jero kampus. Malah réapisan di dieu mah kasangna téh.Teu sirikna unggal jeungkaltempat metot deui kana ka -langkang kalarung. Di tempatnu éta kungsi kumaha. Lebahtempat nu itu kungsi kitu.Deukeut tempat anu kungsianu. Teu, taya nu nepi ka pohohiji ogé. Asa nyaréngcélak baédina ingetan téh.

Tapi anu pangpangna mahlamun keur ngahuleng sora ng -an di taman. Bubuhan di dinyakasang anu panglobana dipakémintonkeun lalampahan kuringjeung manéhna téh. Sok tepi kakalepasanana sakapeung mah.Anteb pisan rarasaan lamunmanéhna bakal datang téh.

Kitu nu harita kaalaman kukuring. Nepi ka datang waktunamanéhna enya-enya réndéngan.Titis-tulis panganténan jeungnu séjén. Asana harita panung-tungan manéhna ngontak kanahapé téh. Hahampuraan heulamimitina mah. Saterusnakakara kabaca iberna. Tanggalsaanu, di tempat anu. Bingung,teuing kudu kumaha malesan -ana. Naha kudu ngawilujeng -

keun. Asa maenya. Ukurditelek-telek sajongjonan. Hen-teu ari nga rasa tungkeb bumialam cara tiheula mah.Bubuhan geus kabadé, malahpasti, bakal kitu kajadianana.Tapi teu wudu karasa aya nunyéak seseblakan. Ngan pédahteu nepi ka lumpat ka tukangjaja mu, atawa ka si Kohir, ban-dar di péngkolan handap. Ukurngahuleng ngaraga meneng baé.Asa geus rada teteg harita mahrarasaan téh.

Ras ka bapana anu keur di-tahan. Tangtuna ogé diidinankaluar heula sapoé mah. Moalteu kitu. Mana komo lamunpibésaneunana milu turun ta -ngan deui. Ngan duka tah lebahhajatna mah. Naha direuah-reuah atawa henteu. Ku nilikkaayaanana, bisa jadi henteu.Malah wartawan gé can tangtunyahoeun lamun jalma anu sokdiwartakeun ku maranéhna téhngawinkeun.

Teu tuluy dipikiran.Saterusna mah léos ka kamarmandi. Ukur ngurus sibeungeutwungkul. Tuluy ganti baju. Ken-cling baé indit ka kampus. Mak-sud mah rék nyampeurkeunbarudak. Tapi kalah hayohngaléok heula ka lebah taman.Gék dina bangku anu tiheulamatuh sok dipaké diuk. Teu patiréa jalma, bubuhan poé Saptu.Ukur aya dua urang nu diukdina bangku hareupeun. Nukeur bobogohan. Disidik-sidikhoréng adi tingkat. Ukur seuri.

***Teu ngabibisani, kuring téh

lalaki. Cék batur mah meureunasa teu pantes mulan-malénkagegeringan. Ngadon nga -gulanggaper kanyeri sorangan.Tapi meureun nya kudu kieukuring mah ngabuktikeunkalalakian téh. Bubuhan dising -kahan teu bisa, nya mending

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

2222

Page 34: Mangle 2478

33Manglé 2478

disanghareupan sakalian. Numatak mun saméméhna mahari pareng inget téh sok geuwatdisalénggorkeun kana mikirannu lain-lain, saterusna mahtuluy dianteur sakarepna. Ku -ring hayang nyaho, nepi kasaenyana tungtungna lalampa-han rarasaan sorangan téh.Lebah mana wates-watesna.Cék ingetan sorangan, mun ti-heula hirup téh teu leuwih tikamistian, meureun ieu gémangrupa salah sahiji kamis ti -an anu kudu diliwatan.

Enya, leuwih milih kitutungtungna mah, najan dinakabuktianana henteu babari.

Meneran keur kanceuhna,sok tuluy ngahajakeun mapayandeui raratan tiheula jeungmanéhna. Kitu wé mimin-dengna mah, ngadon leu leum -pangan sorangan. Leumpangbari ngangkleung-ngangkleungrarasaan sorangan. Ngang -kleung-ngangkleung ingetan,ngoréhan waktu nu geuskalarung. Bari teu weléh aya nuombak banyuan, diayun-ayunku mangpirang kalangkang.Lelenya pan, reureundahan. Lirabrulan méga anu sok mayu -ngan léngkah saparat jalan nudiliwatan.

Ka mana ngajugjugna suku,tara ieuh dikadalian. Diantepsakarepna. Cék saré’atna daukur kukulibekan di sabu deu -reun tempat anu heureut. Kom-plék kampus, gang-ganghareureut anu patétéép kuwawangunan, jalan raya. Tapilalampahan anu disorang kuhaté mah asa lain deui. Asa keurngalalana, bari jeung teuingmuru ka mana.

Teu weléh kitu haté téh,sapanjang “jarah” ka mang -pirang patilasan. Di dinya lobabarang anu teu bisa diajaknyarita. Tapi hakékatna“maranéhna” galécok “cacarita”.“Maranéhna” anu asa leuwihraket jeung lelembutan, ti batanmangpirang jirim anu tinggulin-dang, anu katingali ku panonsorangan.

Upamana beton pang -diukan di lapangan téater ter-buka. “Manéhna” tuluynyaritakeun deui pangala-manana sabot didiukan kumanéhna, basa kuring mung-garan tepung jeung manéhna.Nya di lebah dieu, gigireunpisan anu ayeuna keur di -

diukan. Di dieu manéhnakungsi diuk téh, baringawangkong direumbeuyheureuy. Kitu deui dapuranwaréng sisieunana. “Manéhna”tuluy ngaguar deui lalakon basaramo-ramo léncop manéhnametikan daun “manéhna”.Enya, dapuran waréng anu ieu,anu ayeuna keur dipetikan kuleungeun sorangan, nyeta-nyetakalakuan manéhna tiheula.

Miang ti dinya, aya deuibangku di gedung kasenian

Lembur Bitung. Nyaho pisan,anu jajaran katilu ti tukang, béhkénca, anu perenahna deukeutjandéla. Di dinya ogé bangkutéh tuluy “nyarita”, yén salahsahiji anu kungsi ngadiukan“manéhna” téh nya manéhna.Malah aya leuwihna cénah.Harita basa manéhna diuk téhkeur sumedeng poék meredong.Nu caang ukur panggung anudipaké pintonan. Salila lalajotéh teu lésot bari pacepeng-cepeng leungeun. Tug nepi kabubaranana.

Ti Lembur Bitung, jug kataman. Beuki réa deui di dieumah nu “cacarita” téh. Kabéhditeuteup, dilelekan hiji-hiji.Taya nu pangling. Bubuhan cankaselang ku waktu lila.

Babalongan leutik anggerkitu kénéh. Caina angger saat.Kétang salila sok ngalanto ka

dinya gé angger baé kitu.Katingali aya nguyumbang

téh lamun saméméhna nga -gebrét hujan badag. Patungnyanya kitu deui. Di tengah balongleutik téh aya patung budaktiluan keur nanggeuy wadah.Leungeunna geus pararotong.

Lebah palataran anggerdeuih barala ku dangdaunan.Bubuhan kahieuman ku cari -ngin nu ngajungkiring. Unggaldiuk di handapeunana jeungmanéhna, dina bangku anu

ayeuna keur didiukan, sok ka-purudulan ku dangdaunanana.Nyarangsang dina buuk jeungbaju. Malah lamun nebak anginmah pentilna sok laju marura-gan, tingpeletak kana sirah.Tapi tara ieuh ingkah. Ngadonsaleuseurian sabot war-wurdangdaunan ti luhur téh. Asa nukeur disawér baé.

Ka tebéh wétan deui sa -eutik, aya balong deui. Nu ieumah tara nepi ka saat caina.Bubuhan deukeut ka wahangan.Ngan kitu geuning, tara kungsihérang caina téh. Mun teu héjo,nya soklat. Tapi teuing ku ma -tak pikabetaheun. Da sok kalebah dieu ngaradonna jalmatéh. Lalinduk laliuh. Unggalpabeubeurang ka dinya, arangtaya nu ngadiukan bangkunatéh. Sok eusi baé. Nya lebahdieu harita manéhna wakca téh.

Dina bangku nu ieu pisan.Manéhna diuk gigireun. Buuknaririaban.

Ti lebah kampus ka béhkalér, ngaliwatan panto ger-bang, brasna téh ka jalan raya.Ngalér deui saeutik aya jalangedé anu ngembat ka kulon.Nya jalan gedé ieu anu remendiliwatan ku kuring jeungmanéhna. Pondok saenyanamah. Ukur dua ratus méterannepi ka méngkolna deui asup kagang téh. Tapi ingetan mahwuwuh asa natrat panjang.Tétéla kénéh manéhna keurleumpang keupat. Kantongnadisoléndangkeun. Buukna anupanjang dibuntutkudakeun.

Sakapeung sok tuluy nyim-pang heula ka tukang sangu dibéh katuhu ngadon meuliasakan. Kitu wé nu dibeulinatéh sabangsaning tumas-tumis.Kalan-kalan mun keur aya duitrada kandel meuli daging atawalauk. Si Tétéh tukang sangunateuing ku gérécéh amis budi.Bisa ngagenahkeun nu meuli.Padahal unggal ka dinya gé sokremen kudu ngadagoan lila.Ngantri. Bubuhan pinuh-pinuhbaé. Tuh geuning ti dieu gékatingali si Tétéhna keur pak-pik-pek ngaladangan. Lamunkabeneran keur ngajejengklukngadagoan, bari ngaladangantéh si Tétéh sok rajeun uplekngawangkong jeung manéhna.Tapi sigana moal ngarasa leu -ngiteun lamun ayeuna lang-gananana ngurangan hiji.

Ti jalan gedé, bras deui kajero gang anu hareureut.Pungkal-péngkol, totorobosan.Nepi ka brasna ka lebahpéngkolan deukeut tukang jait.Bréh pantona anu pulas gan-dola. Najan diteger-teger gé teuwudu ngalenyap. Asa didudutjajantung lalaunan.

Ukur panto. Tapi nya tinapanto anu éta saniskarakalangkang manéhna tingkolé-bat deui. Panto anu teu bina tilawang sakéténg ka hiji kota anugeus burakrakan.

Ukur nyésakeun hurunanwangunan rugrug katut sésa-sésa sesemplékanana. Enya,panto gandola anu éta. Pantokosan manéhna tiheula. Anu dijerona kungsi dikotrétkeunmangpirang-pirang adegan tinanatratna lalakon.

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2478

Geus nyaho isukteh aya acarapenting, ayaulang taunjuru san. Ku -

ring sabalad-balad jeungmahasiswa lianna kudumagelar keun rupa-rupakasenian. Konsep acarajeung kaseni an nu rek di-pagelarkeun mah geus beresdigarap, da digarap geus tidua bulan ka tukang, tinggalprungna wae isukan. Arikuring masket pisan kanasepak bola. Sok sanajan isukteh aya acara pen ting,angger wae ku sepak bolamah eleh, subuh-subuh ayaliga champion, teu diliwat,parat dilalajoan nepi kaberesna. Sok komo peutingteh nu maen tim favorit ku -ring, Chelsea.

Kuring mah salakupupuhu himpunan, teu patingilu aub maen dina widangkasenian. Tugas kuring ukurngawas jeung nyaluyuannaon wae nu rek ditampil -keun. Salian ti eta, kudunyiap keun oge sambutantina sudut pandang maha-siswa. Waktu aya gladiresikpeutingna oge, ku ring mahteu ngilu, bebeja mah kababatu ran teh rek istirahatnyiapkeun sambutan jangisuk, padahal mah rek lalajobola.

Isuk-isuk, dihudangkeunku indung. Hese hudang

teh, sare jam sabelas, tuluyhudang deui jam setangahdua, jam opat sare deui, jamgenep kurang saeutik hu-dang deui.

“Sep, hudang geura solatsubuh, lain rek aya acarapenting ayeuna teh?” ceukindung bari ngaguyah-guyah.

Hese hudang teh asalinglung jeung teu kuat kutunduh, tapi sanggeuspanga cian kumpul kakarekngorejat, gesat-gesut disalin,teu mandi, keun bae moalaya nu nyaho ieuh.

Indit ka kampus teh di-anteurkeun ku supir bapakuring, eta oge kudu maksaheula ka bapa kuring. Dabapa kuring oge embungeunkabeurangan indit ngantor,tapi ningali kuring kurangsare mah jeung melangeunoge ari kudu naek motoratawa mawa mobil sorang -

an mah, tungtungna ngele-han.

Di jalan keneh sms tibabatu ran geus raengnaranya keun posisi jeungnaskah keur sambutan geussiap atawa encanna.

Nepi di kampus lang-sung tuturubun ka luar tinamobil, kerek oge sababarahlengkah asa karasa aya nuaneh jeung calana kuring,ditingali ho reng calanalogor, moal salah pahilimake jeung calana bahanbapa kuring ieu mah.

“Mang, boga beubeurteu?” kuring balik deui kajero mobil.

“Beubeur kanggo naon?”ceuk supir bapa kuring teh,“Emang mah teu nganggebeubeur,” pokna deui barinuduhkeun cangkengna numemang teu make beubeur.

“Cing pangmeulikeunheula ka luar sakeudeung

Mang,” cekeng teh.“Moal aya nu muka atuh

tokona oge, Den, isuk kenehpisan apan ieu teh,” pokna.

Uleng mikir sakedapan,bingung kumaha peta. Pi-raku onaman kudu ngin-jeum cala na supir mah, barisigana teh sarua gedenajeung calana anu dipake kukuring ayeuna.

“Pangneangankeun talirapia wae atuh, aya meu -reun diwarung-warung,”cekeng teh. Si Emang teutalang ke, langsung ngabiur.Teu lila geus datang deui.Kuring tuluy asup kanamobil, kop tali rapia dicokot,tuluy dikeureut saeutik.Geus kitu dibeulitkeun kanacalana, geus karasa moalmorosot deui mah, kuringtuluy amitan. Si Emangsupir mah ukur olohok, teulemek teu nyarek, ngankatembong siga nu nahanpisieurieunana.

Waktu rek sambutan, se -kertaris kuring ngahrewos:“Eta acukna lebetkeun atuh,meh rapih.”

Rek pisan diasupkeun,inget beubeur nu ku kuringdipake beubeur kajajadenalias beubeur darurat tinatali rapia.

Ngasupkeun baju tehteu tulus, “Keun bae ah Lis,mahasiswa ieuh,” cekengteh bari tuluy naek ka pang-gung.***

Tali RapiaKu Acep Iwan Sidiq

Manglé 247834

Page 36: Mangle 2478

Mie Instan

Mie instan teh goreng kana kaseha -tan, komo lamun didahar unggalpoe. Tapi sok sanajan kitu, osok

kuring oge ngadahar, hususna lamun keurkaayaan kadesek, hoream popolah jeungeuweuh pikeun polaheunana. Keur jaga-jaga eta mah, nya kuring oge nyetok mieins tan sababaraha hiji. Sok sanajan jarangngadahar lantaran alasan kasehatan, kuringjeung salaki boga karesep kana mie instanteh, kuring mah resep mie goreng, ari salakimah resep mie kuah.

“Nyi, cing pangmasakeun mie, asahayang ngopi ieu teh,” ceuk salaki dina hijipeuting, tunduh jeung keur nundutan oge,kudu ngawayahnakeun wae ari dititahsalaki mah, da geus tugas jeung kawajibanpamajikan. Lantaran geus aya stokna, ku -ring teu kudu meuli ka warung, langsungwae masak. Masak teh mie goreng heula nuku ring, meh teu beukah ari mie gorengmah, jadi daharna bisa bareng-bareng jeungsalaki. Beres masak tuluy wae ngageroansalaki, can oge kuring mah ngahuap, salakituluy protes.

“Nyi, naha ieu teh teu karasa nanaon,siga nu can disamaraan bodas keneh kieuning kuahna oge?”

Barang ditingali teh bener wae kuahnabodas keneh, euweuh hinyay-hinyayminyak jeung kiruh-kiruh samara. Dicokotdeui wae mangkok salaki teh, tuluy kadapur deui. Tapi weleh samara nu salaki tehteu kapanggih.

Lantaran euweuh deui stok mie da canbalanja, tungtungna samara mie kuah nusalaki teh disamaraan manula wae ku ku -ring, dikalduan jeung diuyah ku sorangan.Pas diasaan rasana asa aneh, ah keun bae,nu penting teu hambar teuing siga tadicekeng teh.

Barang diasaan ku salaki, bener waebangun nu teu ponyo dahar mie kuahnateh.

“Nyi, ari ieu mie kuah merek naon?Rasana asa aneh kieu.”

“Euh, mie kuah anyar merek Indodo,”kuring ngajawab sakacaprukna, “Nyobaanda tina gambarna mah siga nu ngeunah,keun engke mah moal meuli deui mie kituatuh,” cekeng teh bari nahan piseurieun.Salaki mah unggut-unggutan wae, bariangger am deui-am deui.

Ngan pas kuring ngasaan mie gorenghanca kuring, bet karasa pangset kacida.Nyeh kuring seuri sorangan, meureunsamara mie kuah salaki teh kaasupkeun ogekana mie goreng nu kuring. Tungtungna

sarua jeung salaki dahar mieteh teu pati ponyo. Abongsalaki pamaji kan, nasibnateh babarengan wae.***

Iseu MaemunahJl. Ahmad Yani No. 14

Cimahi

Jadi Kades

Ieu mah pangalaman teh haneut kenehpisan, kajadianana awal taun 2014.Harita kuring diperedih sangkan daek

jadi kapala desa ku urang lembur. Kuringpribadi lain teu daek, tapi da teu boga pa -ngala man jeung teu boga minat ari kudujadi lurah mah, asa mending jadi masrakatbiasa wae, tiis ceuli herang mata.

Beuki ka dieu beuki loba nu meredihkuring sangkan daek nyalonkeun. Teu sa -eutik oge nu song jeung modalna, tapi ku -ring keukeuh mugen. Lain kukumaha,pangpangna mah teu boga pangalamandina widang kapamarentahan. Enya oge sokdipikolot ku urang lembur, tapi lain hartikuring bakal mampuh jadi pupuhu desa.

Tapi lila kalilaan mah kuring leah oge,babakuna mah sanggeus meunang idin tipamajikan. Abong sipat jalma, ari habe di-papaksa jeung diakalan mah teu burungbeunang oge. Ngan kuring daek jadi lurahteh menta dua tanjakan ka urang lembur nungadukung kuring.

Kahiji kuring menta dibantuan ku saka -beh urang lembur boh nu ngadukung bohnu henteu lamun engke kapilih, babakunamah nya eta kuring teu boga pangalaman.Ari tanjakan ka dua, kuring mah moal rekngaluarkeun modal najan sasen oge pikeunpilihan ieu. Kitu oge nu ngadukung kuring,ulah aya nu ngaluarkeun duit. Mun ceukbaha sa legegna mah ulah aya “moneypolitic”.

Aya nu nyatujuan, tapi aya oge nu kalahgideg. Jaman kiwari cenah teu make duitmah moal jalan. Sok komo saingan kuringteh cenah jalma pangbeungharna di etalembur, nu cenah ceuk nu ngadukung ku -ring mah, manehna mah sanggup ngam-plok ka unggal urang lembur 100 rebuanwae mah keur ngalancarkeun obsesinahayang jadi kades.

Dina waktu prungna pilihan, tuluyhasilna diumumkeun. Sora tamplok kabehka kuring. Loba pendukung kuring nungarasa heran naha cenah pangna kuringbisa meunang kalawan teu ngaluarkeunduit sasen oge. Ari lawan kuring sakitubebea kan, sorana jauh tangah ka langitjeung kuring. Keur kuring pribadi, pangala-man jadi lurah tanpa modal jadi hijikareueus. Hiji amanah nu teu kakotoran kukapenti ngan naon wae, rido ihlas toh patijiwa raga pikeun karaharjaan lembur jadicecekelan kuring sabada kapilih. Waktu

samemehna kapilih oge kuring teu bogabeban nanaon, teu ngaluarkeun duit tehsangkan kuring dina kapilihna henteupiduit.***

Ahmad Askari Cihurip – Garut

Meuli HP

Indit jauh-jauh ti Ciamis ka Bandung,boga duit sajuta hayang meunangsmartphone. Meuli di lembur mah

harga na mahal kacida, beda jeung munmeuli di Bandung, harga marurah jeungloba pilihan, rek merek naon wae ogecenah.

Ti Kawali teh nyubuh kana motor,ngarah teu macet di jalan. Dina angkeuhanteh, beres ti pusat hape BEC di Bandung,arek nyimpang ka babaturan nu aya diRanca ekek.

Nepi di BEC kalah bingung, loba pisanpiliheun pisan. Arek merek ieu, aya merekitu, aya merek anu. Tungtungna kalah bi -ngung sorangan ari loba pisan piliheunanamah.

“Janten bapa teh hoyong smartphonemerek naon?” ceuk petugas conter di BECteh.

“Hayangna nu kumplit aplikasina,murah pulsa, jeung gancang internetna!”

“Gaduh anggaran sabaraha?”“Sajuta, tapi hoyong nu kumplit, murah

pulsa, sareng gancang upami facebookkan.”“Tah kaleresan, ieu aya smartphone ka-

hoyong bapa, nanging kartu sim-na tos di-injek, janten teu tiasa gentos kartu sim.”

“Sabaraha pangaosna?”“Muhun sajutaan.”“Mirah pulsana?”“Mirah pisan, margi cdma. Nanging nya

eta kelemahanana mah teu tiasa gentoskartu sim, janten nomerna tos langsung di-paparin.”

“Ah, eta wae janten atuh. Layar sen-tuh?”

“Muhun layar sentuh, smarphone teulayar sentuh mah teu usum jaman kiwarimah.”

Beres ti BEC, nyimpang heula ka baba -turan di Rancaekek sakalian pamer hapesmartphone anyar. Bener wae padah mujida alus hape teh. Puguh wae da tangtuharga mah tara ngabobodo. Ngan ceukbaba turan teh kalemahanana sok euweuhsinyal di wilayah tertentu mah CDMA-mah.

Balik ka imah pamer ka nu di lembur,ngan aya nu aneh lantaran sinyalna euweuhpisan. Ari barang ditanyakeun ka nu nyahodi lembur, enya wae dan cenah di lembururang mah operator CDMA eta mah eu-weuh jaringanana. Kudu ganti kartu simcenah ku nu aya di lembur. Kuring karekinget yen hape eta mah diinjek, teu bisaganti kartu sim.***

Hendri NugrahaKawali - Ciamis

35Manglé 2478

Page 37: Mangle 2478

Hari Buruh"Hari buruh nu dieling-eling ping 1 Mei teh kiwarimah jadi libur nasional!""Meujeuhna wae ari kitu -na tea mah, apan rekAnggota DPR, PNS,Pangusa ha, tukang macul,kabeh oge sareatna mahnya buruh nu keur bubu-ruh ngala duit."

Acep Iwan SidiqJl. Siliwangi No. 18

Kuningan

TeguhAma : "Nguseupna beu -beunangan teu?"Dodo : "Meunang atu!tah, laukna dina korang."Ama : "Meunangsabaraha siki?"Dodo : "Sok teguh kumanéh, mun bisa neguheusi dina korang ieu ayaopat siki lauk, ku uingdibikeun laukna kabéh

keur manéh."Husien Irawan

Antapani No. 90

Jalan Tol"Naha bet disebut jalantol?""Sabab jalanna nya gedenya panjang, lamunjalanna torowonganwungkul mah beda deuingaran jalanna."

Acep Iwan SidiqJl. Siliwangi No. 18

Kuningan

GelutWa Haji : “Dék nanahaonsiah ka dieu?”Ujang : “Dék ngalamaranak Uwa.”Wa Haji : “Naha bethayang?”Ujang : “Da bogoh.”Wa haji : “Naha betbogoh?”

Ujang : “Da anak Uwabageur.”Wa Haji : “naha awak uwabet bageur?”Ujang : “Wa! Mendinggelut wé yu?!”

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan 112

Cicalengka

Jalan Layang"Ari sugan teh enya waejalanna ngalayang, pekning angger wae eta be-tonna napak kanataneuh."

Acep Iwan SidiqJl. Siliwangi No. 18

Kuningan

KalongIndung: "Mama, ieu simkuring teh nyerenkeun SiUjang, rek dibeureum rekdihideung oge pek tehteuing, nu penting mahdipangdidikeun nepi kasing bisa ngaji jeungweruh dina bag-baganagama jeung darigama,ngan sabulan ieu mah rekjadi kalong heula Si Ujang

teh."Ajengan: "Jadi kalong?atuh beak bungbuhan dikebon Mama!"Indung: "Eh ... maksadteh jadi santri kalongheula."

H. Basir Q. JaelaniCidaun

Ustad TelevisiSantri: "Budi santri legeglebe, ari kalakuan euwah-euwah!""Saha tea eta teh?""Eta Ustad Televisi,Mama!""His, ulah kitu ari taeunteh."

H. Basir Q. JaelaniCidaun

Di Kedokteran"Uing mah kuliah teh rekdi kedokteran wae ah,meh teu misleuk. Asanateh can ngadenge lulusankedokteran nu nganggur.""Dih... aya siah ti kedok-teran nu nganggur!""Wah? Saha jeung di-mana?"

Manglé 247836

Page 38: Mangle 2478

"Eta tatangga di lemburkuring di Garut, manehnati kedokteran hewan.""Enya ari cicing di kam-pung mah, boboraahngubaran sato, awak so-rangan oge di kampungmah can parah mah taradiubaran."

Rizki M. RomdonCikoneng - Soreang

Kab. Bandung

Ngagadekeun Ijazah"Rek kamana Sobar, gayakitu ning setelanana?""Uing teh rek ka bank!""Anyir, gaya. Gawe dibank ayeuna mah?""Lain, rek ngagadekeunijazah sarjana keurpimoda leun.""Beu ... Sarjana jaman ki-wari!"

Rizki M. RomdonCikoneng - Soreang

Kab. Bandung

Nu Mabok INu mabok nyetir mobilmeni ngebut, bakat kutarik eta mobil nabrakwarung di sisi jalan, un-tung we nu boga warungkeur di luar."Teu neuleu atuh arimawa mobil teh!"nu bogawarung ambek."Keun bae atuh euy,garasigarasi aing, naon urusan -ana jeung maneh?" Nu boga warung olohok.

Herman SyuryamanCihampelas No. 90

Baso+ Loba kénéh baso téh,mang?”- Loba kénéh, rék meulibaso, bade mesen barahamangkok?+ Ah henteu mang, singsabar wé nya, kitu geun-ing romantika tukang da-

gang mah.

Rita DahliawatiJl. Cibabat No. 14 Cimahi

Wani-waniDodo : “Kumawani ulinka dieu siah! Sahamanéh?”Ibro : “Tah éta masalahnatéh, abdi nyalira teu apalsaha ari abdi!”

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan 112

Cicalengka

Obrolanibro : urang mah teunarapsu dahar peutingtéh euyudin : ku naon bisa kitu?ibro : da eweuh deu -ngeun na atuh!!!

Husien IrawanAntapani No. 90

ApelNyai : "A, engké wengijanten ka bumi?"Ujang : "Aduh hampuranyai, sigana mah moaljanten."Nyai : "Naha kunaon, a?"Ujang : "Tuh tingal!Sendal Aa-na gé pegat!"

Rita DahliawatiJl. Cibabat No. 14 Cimahi

SaliwangUdin : Sabaraha dombaanu ieu?T. domba : Jalu!Udin : Gélooo! mahalning.

Nani AfrilianyJl. Merkurius 12

Margahayu

Meuli wéNyai : "Kaaaaang itutempo si Sujang nginumracuuunn!!"Salaki : "Meuli we hayang

mah Sarnyi, ulah nyoronu budak, ulah jojorowo -kan, era ku batur!"

Nani AfrilianyJl. Merkurius 12

Margahayu

Nu Mabok IIJack : Cik lur, ari itupanon poe atawa bulan?Daniel : Panon poe.Jack : Ari maneh, sidiketa mah bulan, tempoatuh meni leutik kitu!Daniel : Ceuk aing panonpoe!Jack : Bulan!Lar bapa-bapa ngaliwat...Daniel : Pa, Pa, puntenbade tumaros, dupi itu nudi luhur panon poeatanapi bulan?Bapa-bapa : Duka atuhJang, Bapa ge nembengalih ka dieu da..

Herman SyuryamanCihampelas No. 90

Ahli DikirAjengan: "Jono, ditingali-tingali teh maneh mahbeda jeung santri sejen,eta tasbe dikangkalung -keun bari asa teu kati ngalidipake."Santri: "Numawi Mama,ieu teh supados disebatahli dikir ari dikongko-rongkeun kieu mah."

H. Basir Q. JaelaniCidaun

Mun Gering"Mun dokter geringubarna ku saha?""Nya ku dokter deuiatuh!""Apan dokterna oge ge -ring.""Ku dukun atuh?""Ngaco, patukang-tong-gong atuh eta mah.""Nya enggeus naon atuh?""Nya sarua atuh dokter

gering oge, ubarna mahku obat.""Gehel siah!"

Rizki M. RomdonCikoneng - Soreang

Kab. Bandung

Lipen Hideung"Ayeuna keur populerlipen nu warnana hi -deung. Basa menta duitka indung pikeun meulilipstik hideung, kalah di -sengor 'biwir hayanghideung mah tuh kuruhakdi hawu' cenah."

Iseu MaemunahJl. Ahmad Yani No. 14

Cimahi

RokNeng Misna: "Mamah-mamah, naha geuning SiAa mah resep rok? sanesrok mah anggoan kanggoistri?"Indung: "Rok nudipikaresep ku Si Aa mahsanes rok anggoan, tapirock musik, jenislalaguan."Neng Misna: "Ah, Enengoge resep rock lagu atuh."

Iseu MaemunahJl. Ahmad Yani No. 14

Cimahi

SabaliknaTeteh: "Awewe mah rekmake baju nanaon oge teuweleh mantes, kaasupmake papakean lalaki."Aa: "Lalaki oge pantes rekmodel rambut panjangatawa pondok oge, sejenjeung awewe nu pastimoal pantes mun sirahnabotak."Teteh: "Hiji sama!"

Iseu MaemunahJl. Ahmad Yani No. 14

Cimahi

37Manglé 2478

Page 39: Mangle 2478

SSajak

38 Manglé 2478

Inda Nugraha Hidayat

Tepang Wengi

Wengi tadi, Kaulanun waktos ieu jisim humaroshos ngaharéwos ka Salira dina jemplingna peteng, aya isin paeunteung-eunteung jeung reueus. Isin tos kumawantun sumolondo bari rébo ngajingjing mangpirang katuna.

Ari reueus téa mah tangtos atuh, Kaulanun, ieu jisim dipaparin kénéh rohang waktos kanggonepangan Salira, sanaos rumaos remen teu sapagodos sareng pa-pagon Salira.

Wengi tadi, Kaulanun tos pok deui baé ieu jisim ngagalindengkeunpaménta, bari keukeuh teu daék meta. Euweuh kaéra, panginten saur Salira téh, jangji-jangi ukur jadi papaés biwirnu haben dibalur jalir.Wengi engké, Kaulanun boa mun tiasa ieu jisim nepangan deui.

Samagaha

Samagaha, Kaulanun. Ieu jisim katambias Ngatog dina mongkléngna peteng. Gupay-gapay. Mapay cahaya Salira. Ukur belis jeung barayana nu rajeg sapanjang jalan. Ragég nanawarkeun ééndah peuting nu ririaban dina saban seuseukeut rindat.

Merebot nu awong-awongan ti suhunan masigit, kasilep ku haréwos halon biwir alkohol nu ambucuy baseuh.

Hibar salira, Kaulanun, duka nyumput di mana. Ukur gupay panghiap nu pating gurilap tina awak-awak bulucun nu andekak dina kongkolak.

Ieu soca, Kaulanun, beueus ku kakeueung.

Lamur. Teu awas maca lemah tincakeun.

BalungbangBalungbang, Kaulanun beunang ngahaja ngali di sarakan asih nu lami keri, kiwari geus ngemplang ku cikahuripan : kahéman Anjeun nu canémbrang. Kumalangkang. Ringkang raga Basa lumampah sapanjang katiga rasa. Basa tresna katideresa mangpirang pangrobéda. Basa ieu jisim ngidekliheran sakadang belis. Basa ririwa mulan-malén bumetah na kongkolakotak. Basa amarah nyangkalak kanyaah. Basa ceuceub miceun lambaran deudeuh. Basa kaéra geus teu jadi kelir pikir.

Balungbang nu ngemplang canémbrang, Kaulanun, geus nganti ieu jisim pikeun teuleum dina tingtrim pikir. Malidkeun kerak-kerak daki sésa katiga entak-entakan.

Page 40: Mangle 2478

DDongéngAkiGuru

Cinta boga kakuatan nukacida gedena. Kuroha ka-rohakana

kakuatan cinta, gunung bisadile bur, leuweung bisadibukbak, najan paméntanyieun hiji talaga, moal bu-rung ditedunan pikeun cintamah. Cinta oge teu kahala -ngan ku anggang. Najan lautjeung pulo mi sahkeun, teuburung jauh dijugjug anggangditeang.

Baheula, baheulana ogebeh ditueun deui baheula.Aya dua rumaja nu keur ka -sinugrahan cinta munggaran,demi jajakana katelah Ki San-tang ari wanojana nelah DewiRengganis. Ngan, abong co-coba jeung dodoja sok datangtanpa beja. Ngabongohanjeung ngincer unggal jalma.

Ki Santang jeung DewiRengganis meunang cocobakudu papisah, duanana teuapal laratan pasanganana.Ngan sanajan geus kahalangku anggang ka pisah ku jarak,hatena teu weleh cumantel,pikiranana teu weleh ngan-teng ka buah hatena.

Ku lantaran kuatna tataliasih maranehna, antuknadua nana silih teangan. Dua-nana ngaprak lembur sejanyusur tapak nu dipicintan -ana, nepi ka antuknaditepungkeun di leuweungkalawan disaksian ku batugede anu nelah nepi ka kiwaribatu cinta.

"Jungjunan buah ati dipawenangan, nyanggakeunraga katineung anu ngancik

dina asmara. Jisim abdi tehparantos apruk-aprukan ma -lu ruh laratan salira, nangingihlas, rido, dugi ka ayeunaurang tiasa patepang di ba -rung hate kebek kabagjaan..."kitu saur Dewi Rengganis.

"Deudeuh teuing, geulis.Akang oge apan salami ieuteh lumampah tanpa tujuan,estuning nuturkeun indungsuku teh sanes bobohongan.Demi anu diseja, taya deuiiwal ti patepang sareng salira.Kiwari akang kacida bu ngah -na, bungah kagiri-giri wirehurang patepung di ieu tem-pat..." waler Ki Santang.

Dewi Rengganis sareng KiSantang silih cacapkeun ka-sono di luhur batu gede, batucinta. Salajengna Ki Santangngedalkeun pamaksudananapikeun nyandingkeun Dewi

Rengganis. Tangtos bae DewiRengganis henteu nampik,sasat tos jadi cita-citana ti ka-pungkur. Kilang kitu, DewiRengganis aya panuhun ka KiSantang.

Manawi teu kaabotan,jisim abdi teh gaduh ka -hoyong..."

"Mangga, geulis. Hoyongnaon bae, moal burung di ta -reka han, pikeun ngabukti -keun cinta akang ka salira..."

"Duh... jungjunan buahhate, jisim abdi teh hoyongdipangdamelkeun situ sarengparahuna, kanggo urang dua -an lalayaran..."

"Situ?""Sumuhun, jungjunan...""Sumangga, ku akang di-

pangdamelkeun..."Kocap Ki Santang anu

katelah mibanda kasaktian,

langsung ngetrukeun sakurpangabisana. Ki Santang nen-jrag lelemah dibarung kukakuatan anu rohaka. Bumiinggeung, sarta cai nyusungaburial.

Cai nyusu ngeueum etapatempatan tug dugi ka jadisitu. Teu hilap, Ki Santangoge ngadamel parahu, kanggolalayaran.

Sabada Ki Santang tiasanohonan pamundut DewiRengganis, tangtos bae DewiRengganis oge henteu sulayakana jangjina. Ki Santangsareng Dewi Rengganismaheut keun jangji, meung -keut cinta nu suci tur abadi,duanana tuluy rangkepngahiji jadi salaki pamajikannepi ka paketrok iteuk.***

(W.E. Indriawati)

Sasakala

Situ Patenggang

39Manglé 2478

Internet

Page 41: Mangle 2478

Manglé 247840

GGuguritan

Wahyudi Sofyan

Di Dinya Lebah Péngkolan

Di péngkolan kungsi tepung deuibari silih anjangkeun teuteupan teuteupna maskét na hatésumulusup na kalbunerus lebah dasaring batintibelat ku sorotnabet ratug jajantungteuteup cara nu baheulaseukeut pisan nyayangna ka haté kuring kétang boa ka saha.

Di péngkolan naha tepung deuidina rasa nu ngan sarénjagangeuning haté ngaléngléongkantun kalbu lalanjungkitu salah kieu gé lainnu puguh samar polahdirungruman bingungteu wasa silih tumanya riwan ati kaseuit kageuri deuirarémpan wuwuh lewang.

Di péngkolan pareng tepung deuidina imut nu ngan sabéngbatanhaté liwung samar palérboa mo lipur-lipurkapiéling beurang jeung peutingbongan kungsi midangdammigandrung midangdungkantun umambon soranganmung temahna guntreng baé jero atibadan nya katempuhan.

Isola, 15 Mei 2014

Page 42: Mangle 2478

41Manglé 2478

Page 43: Mangle 2478

Manglé 247842

GGedong Saté

Wakil Gubernur Jawa BaratDeddy Mizwar netelakeunsalah sahiji kakuatan anu

nyata tina seni budaya Jawa Barat téhnyaeta karagaman (diversity). Seni jeungBudaya nguatan jeung jadi sumberkakua tan dina ngawangun jeungngawujud keun kamekaran identitasJawa Barat.

Hal ieu ditegeskeun ku Deddy dina

pembukaan Roadshow Pesta Rakyat dinararaga HUT Provinsi Jawa Barat Ka-69jeung Pasanggiri Seni Tari, Musik, danTeater Thn 2014, di Kantor Badan Koor-dinasi Pemerintahan dan Pem bangunanWilayah IV - Kabupaten Garut.

Nurutkeun Wagub, dikuatananaidentitas diri mutlak diperelukeunjeung salah sahijina diwujudkeunngaliwa tan promosi ragam seni jeung

budaya anu aya."Ngagali kreatifitas tina ajen inajen

seni budaya anu tos aya, ku cara inovasisupados tiasa kolaborasi sareng ajen-ajen modern tiasa dijantenkeun hiji wa -ngun identitas enggal tanpa ngahapusajen inajen tradisi nu tos aya," ceukDeddy.

Wagub nandeskeun wangun tradisianu inovatif nyaeta ku ayana kolaborasiajen-ajen seni budaya anu aya sangkanbisa ngalahirkeun kreatifitas.

"Ku ayana festival atanapi kompetisitangtosna oge kreatifitas bakal terus digalidikalangan para seniman," pokna deui.

Ayana kreatifitas jeung kompetisi téhbisa mere pangarti, mikawanoh,nganyaho keun jeung ngaajenan kana senibudaya Jawa Barat sarta ngamumulekabeungharan, karagaman potensi senibudaya nu aya di wilayah Jawa Barat.

Roadshow Pesta Rakyat De Syukronieu dimangpaatkeun minangka ajangsosialisasi digelarna PON XIX 2016 diJawa Barat, Mang Surili jeung Kujangminangka maskot sarta logo PON Jabar.

Acara ieu dihadiran ku Bupati GarutRudy Gunawan, Wakil Bupati GarutHelmi Budiman, Kepala BKPP IVProvinsi Jawa Barat Kusmayadi, KepalaDinas Pariwisata dan KebudayaanProvinsi Jawa Barat Nunung Sobari,Kepala Biro Humas, Protokol danUmum Setda Jabar Ruddy Ganda -kusumah, Sesepuh Kabupaten Garutsarta Para inohong seniman jeungbudaya wan Jawa Barat.*** (AS)

Persatuan Seniman Komedi Indo -nesia (PASKI) ngagelar Munas(musyawarah nasional) ka-3 di

Gedung Sate Bandung. Acara anu dibukaku Wagub Jabar Deddy Mizwar téh di-hadiran ku para komedian sohor diIndo nesia. Dina kasempetan ieu, hajiNurul Qomar pelawak senior minangkapanasehat PASKI miharep sangkanPASKI kudu bisa marajian grup lawak -grup lawak munggaran di Indonesia.

“Sapertos jaman kajayaan gruplawak di taun 90an, sim kuring miharepPASKIi tiasa ngarojong lahirna gruplawak enggal di tanah air. Uranghudang keun deui kajayaan grup lawak diIndonesia, sadayana kedah aya tarekahkanggo ngalahirkeun pelawak-pelawak

cerdas sareng gaduh kualitas” pokna.Komar mairan kana ayana audisi

lawak anu sok midang di televisi swastanasional anu sakuduna bisa dijadikeunkasempetan pikeun seleksi calonpelawak anu boga potensi jeung kualitas.

“Sim kuring miharep supados audisinu aya dina tipi sanes saukur hiburangwungkul, tapia kedah tiasa janten wadahkanggo ngalahirkeun pelawak anu kuali -tas boh sacara grup atanapi individu.Kriteria tina penjurianana kedah jelassareng ketat” pokna deui.

Dina acara ieu hadir oge parapelawak senior saperti Dedi ‘Miing’Gumelar, Didin, Eman, Deri, Komeng,jeung para seniman komedi asal JawaBarat.*** (AS)

Kreatifitas Seni BudayaJati Diri Jawa Barat

Munas Komedian di Gedung Sate Bandung

H. Deddy Mizwar: kretifitas seni budaya téh ciciren jati diri Jawa Barat

H. Nurul Qomar, Panasehat PASKI

Page 44: Mangle 2478

43Manglé 2478

Demokrasi dipastikeun minangkapamarentahan nu dijalankeun tirayat, ku rayat, jeung pikeun

rayat. Sedengkeun Oligarki, pamarenta-han nu dijalankeun ku jalma atawakolompok nu kawatesanan/saeutik.Robert Michael, nandeskeun naon di -sebut hukum besi oligarki. Dumasarkana eta hukum , dina mangsa urangmilih demokrasi sajatina dina sajeroningeta ge urang loyogna bakal kana oligarki.

Kusabab kitu, taya hiji oge nagarabangsa nu mampuh ngajalankeun sis-tem pamarentahan demokrasi bari jeungngalibetkeun rayat dina unggal waktu.Sabab dina pamustunganana sabadagagasan demokrasi dijalankeun sacaraperiodik ngaliwatan mekanisme pemili -han umum nu bebas jeung jurdil unggalopat atawa lima taun sakali saterusnapamarentahan bakal dijalankeun kusababaraha urang jalma ti partey-parteypolitik pinunjul pemilu.

Dumasar kana logika eta, kitu deuisajatina nu kaalaman Indonesia pascaruntagna rezim orde baru Soeharto,urang teh jiga we nu geus ngajalankeundemokrasi padahal sajatina urang geuskatalikung kana ulekan oligarki dinalumangsungna pamarentahan pascarengsena pemilu legislatif. Ilik weindikasi na, kiwari jalma sasatna keurpatingkuciwes madungdengkeun saha-sahana nu bakal jadi presiden jeungwakil presiden.

Rayat nu (cenah mah) nyekelkedaulatan/kakawasaan nu sabenerna,buktina mah ngan saukur aya “disalua -reun” demokrasi. Ngan ukur sababarahaelit politik nu ngangtukeun bisa majuhenteuna hiji jalma dina kontestasipemilu presiden nu baris digelar 9 Juli2014. Rayat mah ke we dilibetkeunanadina mangsa derna pilpres.

Mungguh nya kitu, urang mayengngalaksanakeun pemilu presiden bariteu jeung meunang “output” jeung “out-come” pamarentahan nu efektifngagerak keun jeung ngahadirkeunkemas lahatan publik di satengahingparobahan global nu kacida gancangna

nu diwarnaan ku persaingan antar naga -ra bangsa dina marebutkeun jeung nga-mangfaatkeun sumberdaya nu aya.Jajauheun ngahadirkeun kaadilan, ka-mamuran, jeung karaharjaan, geuningrezim-rezim nu marentah Indonesiapasca orde baru nyatana mah tacanmampuh ngabeberes bangsa sangkanngamilik daya saing nu leuwih unggulbatan bangsa-bangsa lianna.

Angka kamiskinan ngajaul keneh,nu beunghar beuki beunghar nusangsara tambah katalangsara, pangang-guran naek turun sacara fluktuatif, rata-rata lilana sakola angger kurang leuwih7-8 taun hartina teu tamat SMP, kamaju -an desa jeung kota teu imbang, lobakeneh potret rumeuk nu ngisaratkeunrendahna dayasaing bangsa urangdibanding jeung bangsa-bangsa lianna.Kukituna, loba pihak natanyakeun nahapalaksanaan demokrasi jeungdemokratisasi teh bener atawa geuskaluar tina rel.

Katitenna, urang kudu ngalelempengarah jalan demokrasi tina ulekan oli-garki. Rayat, geus sakuduna diilukeundina kahirupan politik sapopoena (day today politik) utamana dina tiap proses“pengambilan keputusan pemerintah”pakait jeung “hajat hidup orang banyak”.Prosedur jeung akses demokrasi kududibuka salega-legana, pamarentahansapopoena kudu leuwih adaptif kanakabutuh rayat.

Kamajuan pikeun jalma reasakuduna jadi tujuan kolektif nu satekahpolah kudu diwujudkeun babarengan kuurang sarerea. Saluran-saluran demok -rasi teu cukup ngan ukur make badan-badan perwakilan nu sifatna politikjeung kewilayahan, saperti DPR/D jeungDPD. Tapi oge, kudu aya “keterwakilanfungsional” dina “pengambilan keputu-san bersama”.

Mangsa kiwari, katitenna demokrasidi urang nekenkeun teuing kana aspek-aspek prosedural nu leuwih rigid jeunghapa niley dina “penyelenggaraan uru-san bersama”. Pendidikan, Kasehatan,jeung ketersediaan infrastruktur fisik nu

hade mangrupa tilu unsur nu sakudunajadi prioritas pamarentahan pascapemilu.

Kasinambungan hiji pamarentahanjeung pamarentahan lianna kudu dijagadihade-hade sangkan teu “cacagnangkaeun”, tiap rezim nyieun kebija -kan, program, jeung kagiatanana teu“laju/sinambung” jeung parsial sifatna.Kusabab kitu pamarentahan ge jadi teuefektif, teu karasa mangfaatna ku rayat.

Pengambilan keputusan nu elitisjeung teu ngalibetkeun sakabeh publik,hakekatna mangrupa praktik oligarki.Lamun dina mangsa rezim orde baruSoeharto urang diparentah oligarki Soe-harto, ABRI, Birokrasi sipil, jeungsabagean leutik kolompok pangusaha.Pasca reformasi, ukur unsur ABRI jeungSoeharto nu tilem tina pusat-pusatkakawasaan.

Sedengkeun Birokrasi sipil tetep jadiinstrument dominan dina ngajalankeunpamarentahan jeung partai-partai politikdikawasa kolompok pengusaha atawapemodal lokal jeung global, boh ku caraterang-terangan atawa susulumputan.Birokrasi ge sacara teu langsungdikawasa ku maranehna.

Dina konteks ieu remen hadir para“komprador” jeung “rentseekers”, nyaetapara perantara kuasa politik bermotifkauntungan ekonomi pikeun dirina atawakolompokna. Kukituna, kamaslahatanjeung kapentingan publik jadikamarginal keun. Kusebab eta,urang kudungabangun kakuatan sipil nu mandiri nusacara kolektif mampuh ngabendung ka-mungkinan ayana ekses negatif tina prak-tik-praktik demokrasi liberal nu leuwihnguntungkeun para pemilik modal, elitpolitk, jeung elit ekonomi. Rayat tung-tungna mah ngan bersifat nominal jeungaya di saluareun arena demokrasi, sababnya ngan para oligarki nu satemennakuma wasa jeung nu nangtu keun jalanhirup nagara jeung bangsa ieu. ***

*) Guru Besar Ilmu Pemerintahan &Kepala Departemen Ilmu Politik FisipUnpad

Demokrasi Versus Oligarki di Indonesia

Ku Dede Mariana *)

Page 45: Mangle 2478

Wargi urang anu nuju midang ayeuna namina Putri Kumala Galuh Tresna.Puti-puti atanapi Puput nenehna mah, putrana Bapa Asep GP sareng Ibu Junia Yuning -

sih.Dibabarkeun di dayeuh Bandung ping 28 Juni 2013 atanapi 19 Sya’ban 1434 H. Hobi

atanapi karesepna nyonyo susu sareng ngorondang da alit keneh. Tapi sok sanaos teuacan sataun namung tos capetang nyarios tiasa ngetang dugi ka tilu sareng sok nurutanadjan atanapi sok ngibing pami aya musik. Upami angen-angen atanapi cita-cita na tang-tos sakumaha harepan ibu ramana , hoyong janten jalmi soleha hormat tilawat ka ibu-rama tur aya gunana kanggo bangsa sareng nagara.Puput nu bumina di Jl. Baladewa IINo.96 Bandung, wiat salam saurna kanggo sobat sareng wargi-wargi Mangle Alit.Mugiasadayana ginanjar kawilujengan.Amien!***

Page 46: Mangle 2478

SSakola ka Sakola

45Manglé 2478

Kaum rumaja téh generasibangsa. Hartina ketak jeungkaparigelan kaum rumaja

Sunda ogé, tetep kudu ditalinga -keun. Kumaha ari dina widang bu-daya? Sidik, kaum rumaja di tatarSunda téh kembangna budayamangsa nu bakal datang. Ku kituna,tarékah jeung jurus mekarkeun seniSunda di kalangan kaum rumajaperlu panalinga balaréa. Nahakumaha jurus-jurus mekarkeunSunda di kalangan rumaja?

Kamekaran informasi jeungglobalisasi, keur kaum rumaja gedépisan pangaruhna kana polah jeungkaparigelan kaum rumaja. Lantarankitu, dina widang seni Sunda ogéperlu jurus-jurus nu metakeunkaum rumaja sangkan teu poho

kana budayana, nu di antaranakasaksen di tatar Sunda Cicalengka.Kumaha metakeun kaum rumaja diwidang budaya Sunda?

Ngawanohkeun budaya di kala -ngan rumaja Cicalengka, sing -horéng pikareueuseun. Kituna téh,lantaran di Cicalengka mah(hususna di gugus wilayah 6) ung-gal taun geus metakeun jurusnangaliwatan kagiatan pasanggiri SeniSunda. Taun 2014 gé pasanggiri téhdiayakeun keur tingkat gugus 6wilayah Cicalengka. Éta pasanggiringalombakeun rupa-rupa widang,di antarana nulis dongéng, lombapupuh, mintonkeun seni jeungsajaba na. Pamilonna ti unggalsakola SMP nu kawengku di gugus6 wilayah Cicalengka.

Nurutkeun Rohendi S.Pd., KetuaGugus 6 Wilayah Cicalengka, acarapasanggiri nu dilaksanakeun diSMPN1 Cicalengka, di antaranakeur ngawanohkeun seni Sunda dikalangan kaum rumaja Cicalengka.“Pasanggiri seni Sunda, kanggosakola di Cicalengka mah pentingpisan, supados murangkalih wanohkana seni Sunda,” pokna.

Kumaha ari kaum rumajasorangan ana, naha resepeun kanaseni Sunda? Hususna di gugus 6wilayah Cicalengka, singhoréngmatak pikareueuseun. Buktina, tina32 pamilon marilu lomba ti 20 sakola,geus ngabuktikeun kaparige lan nuhenteu éléh jeung daérah séjénna.

Miara jeung ngamumulé basasastra, sarta seni budaya Sundaséjénna, ka dituna mah lain saukurnepikeun dina kagiatan-kagiatanseremonial. Tapi, ngamumulé bu-daya Sunda Sunda, ahirna mahkudu ngahasilkeun pasipatan kaumrumaja nu luhung élmuna jembarbudayana ogé pageuh agamana.Lantaran, budaya Sunda nu dalitpisan jeung Islam, salawasna keurnguatan pribadi-pribadina sangkanhadé ka sasama, hadé di ling -kungan ana ogé hadé dina Ibadahna.

Upama kiwari kaum rumaja lobakénéh nu henteu wanoh kana bu-daya Sunda, lain hartina kaumruma ja embungeun wanoh. Ku kitu -na, pihak-pihak sakola di Ci-calengka, nurutkeun Kabid SMPDrs. H Adang Sujana M.MPd.,sakola ogé neundeun kawajiban,sangkan ti kaum rumaja SMP kénéhkudu diwanohkeun kana budayana.“Kantenan ngawanohkeun budayaSunda ogé sangkan murangkalihgaduh jati diri sareng langkungnyaah ka daérahna,” pokna tém-brés. *** (DJ/RH)

Pasanggiri Seni Sunda; Metakeun Rumaja Wanoh kana Budayana

Para pamilon lomba pasanggiri tingkat gugus 6 wilayah Cicalengka.

Page 47: Mangle 2478

Manglé 247846

AAweuhan Pasundan

Dina umur nu can pancegdua taun, Akademi BudayaSunda (ABS) Unpas geus

sawelas kali ngayakeun kagiatanatikan. Entragan X jeung XIdipungkas poé Salasa, 6 Méi nuanyar kaliwat. Saban angkatan,atikanana lumangsung dina waktutilu nepi ka opat bulan. Sa -angkatan, pamilonna nu disebutsénabudaya, diwatesanan ukur 30urang. Saban entragan, diwatesa -nan tilu angkatan, malar kagérohku para manggala, nyaéta nungatik para sénabudaya. Atikananadiwangun ku dua widang, nyaétawidang budaya sacara umum jeungwidang basa Sunda, utamananyoko kana kamahéran biantara.Tina sawelas angkatan nu geusdilaksana keun téh sawataraangkatan mangrupa réalisasi tina

gawé bareng antara ABS Unpasjeung Pemkot Bandung. Gawébareng nétélakeun yén PemkotBandung baris ngirimkeun parapamancén-publik di lingkungan -ana pikeun dibekelan bagbagan bu-daya Sunda katut basa Sunda tipara manggala nu aya di ABSUnpas.

Para Kepala Dinas, para Camat,para Kepala Sekolah SD (gugustugas), SMP, SMA katut SMK sa-Bandung kungsi jadi sénabudayaABS Unpas. Nu kauger ku gawébareng tapi can kaburu kalaksana -keun téh nyaéta mekelan bagbagankasundaan ka para lurah sa-Ban-dung. Malah kungsi diocal-ocalmalar para anggota DPRD KotaBandung 2014-2019 gé dibekelanheula bagbagan kasundaan ku ABSmalar teu “ngatog” enggoning

ngalaksanakeun pancénna, ngi -gelan kahayang warga Bandunganu pangeusina réréana urangSunda. Sawatara angkatan deuimah para sénabudaya-na diwa -ngun ku para inohong nu aya dilingkungan Unpas. Aya katangtuanRéktor yén Sértipikat ABS téhmangrupa salah sahiji pasaratanutama pikeun naék pangkat atawapikeun diangkat jadi pejabat dilingkungan Unpas.

ABS Unpas diresmikeunngadegna dina tanggal 14 Juli2012, di Gedong Bank IndonésiaJawa Barat, basa PaguyubanPasun dan ngayakeun kagiatanMapag Saabad Paguyuban Pasun-dan. Ku lantaran kitu, ngadegnaABS Unpas téh gedé pisan pakuat-pakaitna jeung urusan kasundaan,anu ahir-ahir ieu teu weléh jadi

Akademi Budaya Sunda UnpasMekelan Élit Sunda ku Kasundaan

Ketua Umum Pengurus Besar Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi (kaopat ti kenca) sareng Rektor Unpas ngaluuhan pasamoan pamungkas angkatan X&XI ABS Unpas.

Page 48: Mangle 2478

47Manglé 2478

bahan sawala. Pangpangnangeuna an réana urang Sunda nugeus teu ingeteun deui kana bag -bagan kasundaan, boh budaya bohbasa. Réa urang Sunda nu henteunyarita ku basa Sunda, boh dinapasamoan resmi boh ukur dinawangkongan papada urang Sunda.Horéng sabab-musababna mahlain ku lantaran embung nyarita kubasa Sunda, tapi réréana mah kulantaran “teu wani”. Ku alatan“sieun” salah, da mungguh basaSunda mah apan aya undak-usukna majar téh. Batan salah, nuantukna digeuhgeuykeun atawa di-gelendeng deungeun, papadaurang Sunda deui, atuh nya milihteu maké basa Sunda waé. Leuwihhadé maké basa Indonesia, dacenah henteu réa teuing undak-usukna cara basa Sunda. Anumibanda pamadegan katut sikepsamodél kitu téh lain Si Itu Si Éta,tapi réréana mah urang Sunda nunyangking kakawasaan dibirokrasi.

Kaayaan samodél kitu jadiwangkongan di antara para ping-

pinan organisasi organisasikasunda an. Tapi ukur jadi kaca-pangan wungkul. Teu dipikirankumaha ngungkulanana, manakomo bari prakna. PaguyubanPasun dan, organisasi kasundaannu pangkahotna, engeuh kana étapasualan, sarta mirengpibahayaeun ana pikeun nasibSunda pikahareupeun. Upamakaayaan samodél kitu pada ngan-tep, teu mustahil jaga mah Sundatéh ngan kari ngaran. Dina ayanaogé jalmana, teu mustahil geusleungi teun jatidiri kasundaanana.Ketua Umum Pengurus BesarPaguyuban Pasundan, Prof. Dr.H.M. Didi Turmudzi, nu dua pério -de jeneng Réktor Unpas, méméhmungkas pancénna anu kadua téhnyawalakeun heula éta perkarajeung sawatara inohong Sunda.Saréréa sapuk kana perluna hijilembaga anu pancénna mekelanpara élit Sunda ku bagbagankasunda an. Saréréa sapuk deuihyén éta lembaga téh kudu mang -rupa atikan anu sipatna non deg -ree, tur dina wangun “akademi”.

Saréréa sapuk éta lembaga atikantéh ngindung ka UniversitasPasun dan (Unpas). Ku lantarankitu éta lembaga atikan téhdingara nan Akademi BudayaSunda Unpas. Sacara otomatis (exofficio), Réktor Unpas kapapancé-nan jadi panangkesna.

Atikan di ABS Unpas lumang-sung pasosoré, sakali dina sa -minggu, sangkan teu ngaganggukana pancén sapopoé nu kudu di-laksanakan kalawan mayeng kupara pejabat pamaréntahan. Ki-wari, ABS Unpas keur tataharpikeun ngayakeun gawé barengjeung Pemda Jabar, sarta sawataraPemda nu aya di Jawa Barat, diantara na Pemda Sumedang jeungPurwakarta, malar para inohong -na, sarta para mitra gawéna, katutpara anggota DPRD-na, diilukeunkana atikan nu dilaksanakeun kuABS. Malar teu ngaganggu kanapancén sapopoé, atikan ABS Unpasbisa dilaksanakeun di masing-ma -sing kota katut kabupetan di saku-liah Jawa Barat. *** (YayatHendayana)

Di Angkatan XI ABS Unpasnu pasamoanana dipung -kas tanggal 6 Mei nak. Aya

salah saurang sénabudaya nu éstulungguh timpuh tur kawilanggetol. Tara mangkir mun teukabeneran aya pancén nu enya-enya kudu diréngsékeun saharitakénéh mah. Carang takol, teu carakaréréaan batur saentraganana,tur saregep lebah ngabandunganmanggala nu keur méré atikan.Wastana Nurul Mu’min, S.Pd.Pancén sapopoéna BendaharaKantor Pusat Unpas, ngantorna diKampus IV Unpas, Jl. Setiabudi191 Bandung. “Manglé” kungsingawangkong saliwatan jeung PaNurul, landihanana sapopoé,

sabada réngsé pasamoan pamung -kas Angkatan XI.

“Alhamdulillah sim kuring tiasangiring ABS téh”, cék Pa Nuruldaria nakeran. Pa Nurulnétélakeun yén di ABS téh réapanga weruh perkara kabudayaanSunda nu katarima ti para mang-gala. Utamana mah dina bagbaganbasa, wabil husus biantara.“Sabada ngiring ABS” cek PaNurul, “bet jorojoy hoyong nyobi-nyobi nyerat ku basa Sundakintunkeu neun ka Mangle.”

“Leres pisan Pa Nurul. Cobiangeura. Saur saha nyerat dina basaSunda sesah?”*** (nay)

ABS UnpasCék Senabudaya

Nurul Mu’min, S.Pd., senabudaya ABSUnpas angkatan XI

Page 49: Mangle 2478

“Aya hiji raja....!” Kitu di an-tara bubuka dongéng baheulamah. Enya, da biasana gé nu di-dongéngkeun téh raja jeung kula -wargana. Sok kacatur, kulawargaraja mah, mun anak awéwégareulis mun lalaki karasep, jabapalinter deuih. Kitu deui lingku -ngan sabudeureunana, éndahjeung sarwa pikaresepeun.Cindek na, gambaran lingkungankarajaan mah sarwa pika -bitaeun.

Carita-carita baheula, sapertinu dilalakonkeun dina pantun,dina wawacan gé sarua, nyarita -keun raja jeung lingkungan kula -wargana. Kitu deui dinacarita-carita klasik séjénna dimana waé, sarimbag nu dicarita -keun téh lingkungan karatonatawa istana. Matak salasahiji ciricarita klasik mah istana séntris.

Karajaan tangtu wé boga raha -yat. Ngan, da dina carita gé rayatmah arang kacatur. Mun ogékasabit-sabit, ukur minangkapigu ran. Ukur papaés carita geu-san némbongkeun kaagungan rajajeung kulawargana. Apan, nuumumna digambarkeun dinacarita baheula mah, rahayat téhukur sina ngabéngbréng sapapratjalan nu dililiwatan raja atawasina surak jeung émprak ‘nga-haminan’ carita atawa paripolahrajana.

Dina mangsa suksesi rahayatkakara kacatur bari jeung radaaya peranna. Saperti dina LutungKasarung, waktu nangtukeun nupantes jadi raja (ratu), apan raha -

yat sina nangtukeun pilihanana,ku cara meunteun kaunggulanmasing-masing nu diabénkeun.Dina éta pantun, Purbasarijeung Purbararang ngadu jajaténrupa-rupa kadigjayaan. Numeunteun na, lian ti para réng -réngan karajaan téh ogé rahayatmurba.

Kiwari, lain bihari. Tapi, caritamangsa lawas téh remen kasakséndeui. Najan sumber kakawasaan timasarakat, ahirna mah, rahayattéh bangun nu teu boga peran.

Di lingkungan puseur kaka -wasaan mah, teu weléh loba nuilubiung, nu kalungguhananadina carita mah minangka ‘peranpembantu’. Aya Semar, togog,jeung Sangkuni, dina wayangmah, di antarana téh. Dina pan-tun, aya Lengser.

Pancén tokoh pembantu, rupa-rupa. Semar mah ngawula kadunungan nu protogonis, Togogmah umumna ngawula ka tokohantagonis. Sangkuni, satékahpolah ngarojong ‘dununganana’demi dirina milu nanjung. KeurSangkuni mah, tunggul dirarudcatang dirumpak gé teu dipahing,demi tujuanana kahontal.

Léngsér mah teu kitu. Sapertinu kacatur dina Lutung Kasarung,éta tokoh mah nembrakkeun kaja-dian nu saéstuna. Inyana ukurmawa bewara nu samistinaditepikeun ka balaréa. Taya mak-sud ngarah kauntungan pribadi.

Dina usumna ganti rejim

pamarén tahan, nu saribuk mah,pihak-pihak nu deukeut kanapuseur kakawasaan. Warta-wartanu kacatur, ukur sabudeureun is-tana. Rahayat, najan boga ‘sorakawasa’ dina émprona mah ukurjadi piguran, purah surak jeungémprak, nu dikeprak ku pihak-pihak nu ngarojong kandidatcaprés/cawaprés.

Keur ngeprak jeung ngukupraksora rahayat, loba nu milu aubngarojong calonna. Rupa-rupasesebutanana ogé, nu umumnamah ngaku ‘relawan’. Pancénna,néangan pangrojong saloba-lobana sangkan calonna kapilihjadi nu pinunjul.

Nu disebut ‘relawan’, umum -na ilu-biung dina ngungkulanmasalah-masalah sosial jeungbancang pakewuh. Arinyana mah,tara ieu menta buruhan, dapatekadanana gé ukur mantuan.Peun semet dinya!

Rélawan pulitik mah teu sa -kelir. Pasipatan jeung patékada n -ana ogé rupa-rupa naker. Upamacarita milih pamingpin kiwari teubéda ti ngabadungan carita klasik,nu jadi rélawan gé bisa waé,kawas Semar, Togog, Léngsér,atawa Sangkuni. ***

KKolom

Carita Baheula

Manglé 247848

Page 50: Mangle 2478

49Manglé 2478

NGOMONG téh pikeunUrang Sunda mah kacidapisan pentingna. Upama

urang ngadéngé béja ngeunaan diriurang, boh nu hade boh nu goréngsawadina upama ku urang di-tanyakeun ka nu ngomongna.Lamun béja, béja ti saha, lamunenya kungsi nyarita tanyakeunnaon sababna. Nyakitu deui upamaurang ngarasa tugenah ku batur,sawadina upama ku urangdiomongkeun ka jinisna. Penting -na ngomong téh apan kaunggeldina paribasa hadé ku omong,goreng ku omong. Éta paribasa téhnetelakeun pentingna klarifikasi,nanyakeun bener henteuna.

Lebah nepikeun kereteg angen-angenna sacara lisan, Urang Sundamibanda cara mandiri, luyu jeungtujuan atawa kaperluanngalisankeun ana. Saban carangabogaan istilah sorangan.Upama ngan saukur hayangnepikeun béja wungkul bari teudisartaan ku maksud-maksudhusus mah (tanpa pretensi),nyarita téh tangtu saujratna, hen-teu diruka-réka. Tapi upamadisarta an ku niat-niat husus mahcara ngalisankeunana gé tangtubéda. Cara ngalisankeun keretegangen-angen téh aya kalanaguman tung ka saha anu diajaknyaritana. Upama nu diajaknyarita baris babari ngarti kanaeusi caritaanana, cara ngalisan -keun ana ogé baris “biasa-biasa”waé. Ngan upama cék rarasaan nunyarita (komunikator), nu diajaknyarita (komunikan) téh kasawang

baris hésé pingartieunana, kakarakomunikasi lisan téh maké cara nu“teu biasa”. Cara komunikasi lisanUrang Sunda diwangun ku (1)satarabas na, (2) togmol, (3) ceplakpahang, (4) malapah gedang, (5)malibir, (6) sugan surti. Ti jamanbihari nepi ka jaman kiwari, carakomunikasi lisan Urang Sunda tehkawasna teu robah-robah. Dinaperkara komunikasi lisan mahtetela Urang Sunda teh mibandacara sorangan. Anu masing-masingcara mibanda ajen inajen mandiri.

Satarabasna, nyaéta caranyarita nu teu diréka tur teu ngan-dung maksud nanaon, iwal ti kaju-rung ku niat malar nu diajaknyarita nyaho kana informasi nubaris ditepikeunana. Alhasil,nyarita satarabasna téh nyaéta caracarita nu teu disartaan ku ka-hayang sangkan nu diajak nyaritaméré réaksi nu husus, tapi ngansakadar pikeun méré informasingeunaan hiji perkara ka jalma nudiajak nyaritana.

Togmol, nyaéta cara nyarita nulangsung kana poko pasualanana(to the point). Nu dipentingkeunlain saha nu diajak nyaritana, tapinaon nu jadi poko pasualan dinacaritaanana. Poko pasualan téa nudijieun jejer carita téh. Biasana,cara nyarita togmol téh sok dilisan -keun ku jalma anu perwateknadina cacarita sok poksang,sabalaka na.

Ceplak pahang, nyaéta caranyarita nu henteu dibarung kutinimba ngan naha diajak nyaritatéh baris nyerieun haténa atawa

henteu. Lebah nyaritakeun kasala-han nu diajak nyarita, tara ieuhdipinding-dipinding. Dicaritakeunsaceplakna, sok sanajan matak “pa-hang” karasana ku anu diajaknyarita.

Malapah gedang, nyaéta caranyarita nu tojaiah jeung togmol.Upama togmol mah langsung kanapoko pasualan, ari malapah gedangmah ditéték ti awal mula pangnaéta pasualan aya. Nu diajak nyaritakudu nyabar-nyabar manéh pikeunngadagoan dongéng nu nyaritasaméméh tepi kana poko pasualan -ana.

Malibir, nyaéta cara nyaritaanu henteu langsung kana pokopasua lan, tapi ngadongéngkeunheula nu “lain-lain” anu brasnakana poko pasualan téa. Ku carakomunikasi lisan nu malibir mahaya kalana caritaan ngeunaanpoko pasualan téh henteudikedalkeun, saupama nu diajaknyarita dianggap geus ngarti kanapasualan atawa informasi nubaris ditepikeun.

Sugan surti, nyaéta cara nyaritanu henteu langsung ngeunaanpasua lan nu baris ditepikeunana.Nu dicaritakeun téh nyaétaperkara-perkara lian tapi anumémper-mémper kana pasualananu hayang ditepikeunana. Caranyarita samodél kitu téh nyaétacara nyarita anu miharep malar nudiajak nyarita surti. Ari nu diajaknyarita surti mah hartina tangtubaris nyaho kana naon anu jadipoko pasualan, nu saéstuna rékdikedalkeun téa.***

DI KIWARI MACA BIHARICatetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Hadé ku Omong, Goréng ku Omong

Page 51: Mangle 2478

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Manglé 247850

KKatumbiri

Gedong Budaya Sabilulungan(GBS) sawatara waktu nu kali-wat diresmikeun ku Bupati Ban-

dung, Dadang M. Naser. Rupa-rupakasenian ngeuyeuban kagiatan mung-garan dipungsikeunna GBS, ti mimititari para mojang ti sanggar tariRuming kang, rampak kendang, rampaktarompét nepi haleung ti Rita Tila.

Hanjakalna, tari keurseus nu di -pihareup jadi “icon”-na Kabupatén Ban-dug teu bisa midang, lantaran salian tiperesmian GBS dipasahkeun ka “eventorganizer” (eo), waktuna ogé dipaju -keun, tina rencana awal nu rékdilaksana keun dina bulan Juli.

“Waktosna samporét pisan. Tapisaleresna Paseban tos nyiapkeun raran-cang acara, kirang langkung tos 80 per-sénna, ti ngawitan ngaguar para bupatimanten dugi ka kasenian nu aya diKabupatén Bandung,” ceuk KetuaPaguyuban Seniman Budayawan (Pase-ban) Kabupatén Bandung, Abah Awi,bari ngémbohan yén dirina ngarasahanjelu ku teu dipintonkeunana tarikeurseus.

Ngeunaan sikep Paseban satutasnaGSB diresmikeun, ceuk Abah Awi,pihak na masih nungguan kaputusannaha GBS téh rék dijadikeun UPTDatawa disérénkeun ka pihak katilu(swasta). Nu jelas, lamun GBS nepi kadiswastakeun lebar temen, sabab pihakkatilu mah ukur néangan untung keurmulangkeun modal. Moal boga karephayang ngamumulé seni jeung budayadaérah. Malah bisa baé GBS diséwa -keun ka saha waé asal puguhpiuntungeun ana.

“Upami di-UPTD-keun, insya AllohPaseban tetep ulubiung pikeun ngeu-sian kagiatan di GBS. Pamidikaswastakeun moal ngiring ilubiung.Tapi perkawis seniman mah Pasebanmoal dilarang midang di GBS, asalprofésional, ulah dimurah-maréh cara

ayeuna.Abah Awi ngémbohan, pikeun nga-

mumulé seni jeung budaya daérah ulahditilik tina kauntungan wungkul, komobari boga pikiran kumaha caranasangkan éta gedong bisa ngahasilkeun.Tapi kudu aya pamikiran ka hareup,saha nu apal ti GBS bisa lahir senimanjeung budayawan terah KabupaténBandung anu kamashur ka manca -nagara.

Salah saurang anggota PasebanKabupatén Bandung nandeskeun, yénGBS bisa jadi kareueus warga Kabu-patén Bandung. Éta gedong agréng numéakeun lahan leuwih ti sa héktar téh,kahareupna bisa jadi tujuan wisata.Malah ku lega jeung tohagana étawangu nan GBS, kahareupna bisa di-jadikeun tempat keur nampung parapangungsi, ceuk anggota Paseban nunarah disebutkeun ngaranna.

Sedengkeun Bupati Bandung mah,Dadang M Naser, nétélakeun yén disabudeureun GBS rencanana PemkabBandung rék ngawangun “sains center”

nu bisa dimangpaatkeun ku sakabéhbudak sakola jung mahasiswa di kabu-patén Bandung, pikeun ningkatkeunpangaweruhna. Salian ti kitu, oge rékdibangun “plaza” (panggung terbuka)pikeun kagiatan paméran jeung konsérseni nu bisa nampung rébuan jalma nulalajo, lantaran GBS mah kapasitasnaukur 800 urang panongton.

Bupati ogé nandeskeun, ngadegnaGBS mangrupa bukti gawé Pemkabbandung dina ngabebenah infastruktursalian ti jalan. Malah dina taun ieu“sains center” jeung plaza kudu réngsépangwangunannana. Ngeunaan SDM,ceuk Bupati, di Kabupatén Bandungmasih kénéh kurang optimal, cansaluyu jeung harepan. Kikituna, pikeunngaronjatkeun SDM Pemkab Bandungngayakeun gawé bareng jeung Ustraliogé jeung Koréa Selatan.

“Kanggo ngaronjatkeun SDM diKabupatén Bandung, pemkab Bandungparantos ngintunkan 120 urang gurukanggo ngiring pendidikan di Ustrali,”pokna.***nunk

Gedong Budaya SabilulunganTacan Puguh nu Ngokolakeunana

Salasahji pidangan seni di GBS

Page 52: Mangle 2478

Bandung pangjugjugan. Nu timana nu ti mendi arulin kaKota Bandung. Rupa-rupa

kamoné san nu aya di Kota Bandungmémang kumplit. Aya wisata kulinér,alam, ogé wisata seni. Lantaran kitu,widang atikan wisata gédipeupeujeuh keun pisan, saperti disakola-sakola nu mindeng ngayakeunkagiatan budaya jeung seni, kaasupdi sakola SMK N 1 Kota Bandung, nudikokolakeun ku OSIS SMK Negeri 1

Bandung (19/4/2014). Éta kagiatanmangrupa program kerja taunan,“MOKA (Mojang Jajaka)”. Kalawangarapanana sangkan para siswa bisaparigel luyu jeung témana, sahaté,ngaranté, jeung racagé.

Kamekaran budaya Sunda disakola mémang pikareueuseun.Pihak sakola gé boga udagan. Lainsaukur nganteur barudakna dinatingkat kagiatan sérémonial, tapigeusan ningkatkeun ajén barudak

sangkan pribadi-pribadi siswa bogasikep nu hadé luyu jeung kultur bu-daya Sunda nu kudu nyaah kasasama, hadé di lingkunganana ogéluhung élmuna.

Ku kituna, pihak sakola SMKN 1Bandung gé, pamilonna ti sabantingkat program kaahlian. Aya tiprog ram keahlian Akuntansi,Perkanto ran, Pemasaran, jeungUsaha Perjalanan Pariwisata.

Mekarkeun budaya Sunda disakola loba mangpaatna. Para siswagé dipiharep bisa ngali poténsi dinawidang kaparigelan budaya, diantara na nyiapkeun kembang-kem-bang mojang jeung jajaka Kota Ban-dung. Lian ti mojang jeung jajaka,lomba widang budaya séjénnasaperti lomba kageulisan, akustik,pasakan Sunda, produk kréatif,business plan, jeung lomba macasajak Sunda.

“Seueur pisan palajaran tinangiringan lomba mojang jeung jajakadi SMKN 1 Bandung. Komo nu jantengirang pangajénna ti Mojang jeungJajaka Kota Bandung, Teh Siti Anidasareng Kang Rizky,” cék Grimal,minang ka pinunjul Mojang JajakaSMKN1 harita. *** (RH)

SMKN 1 Bandung Sirung Harepan Mojang Jajaka Kota Bandung

Pasanggiri Mojang Jajaka di sakola, ngawanohkeun budaya Sunda ka para siswa

Para pamilon mojang jajaka SMKN 1 Bandung

Pinunjul Mojang Jajaka diSMKN1 Bandung

51Manglé 2478

Page 53: Mangle 2478

Manglé 247852

KKatumbiri

Ampir sakabéh jalma jaman ayeu -na ngagunaken batré keurkapereluan hirup sapopoéna. Ti

mimti jam tangan, jam dingding, rémot,telepun sélulér, nepi ka kaméra dijitalmaraké batré. Naha dikamanakeun étabatre lamun geus teu kapaké deui?Umumna runtah batre téh dipiceun kamana lungna atawa kana carangkaruntahkeun. Sama sakali jalma-jalmatéh henteu nyarahoeun kana bahayanaruntah batré lamun dipiceun sam-barangan ka mana baé lungna. Seringningal batré bala tak di jalan, ku baru-dak sakola ditarajongan, dipaké ulin.Deuh… bahaya éta téh!

Runtah batré kaasup limbah B3,bahan anu gedé bahayana jeung ngan-dung racun. Sabab kandungan batré téhrupa-rupa logam berat, jeung jat-jat anugedé bahayana. Éta sababna upamaruntahna dipiceun sambarangan lainnimbulkeun polusi wungkul, tapi bakalnyemarkeun sumber daya alam, taneuh,jeung cai. Nu aya dina kandunganbatré nu jadi sumber daya batre, bahanlogam berat éléktrolit korosit kayaningtimah, mérkuri, nikel lithium, kadmium,pérak, séng, jeung mangan.

Dina aksi mikro organisme, mérkuri“unorganik” bisa dirobah jadi “methyl

mercury” nu ngumpul dina awak lauknu hirup dina cai nu cemar. Terus étalauk dikonsumsi ku manusa. “Methylmercury” nu geus aya dina awak laukkadahar ku manusa bisa asup kana sél-sél uteuk, balukarna serieus pisan,ngaruksak sistim sarap nu bisanyababkeun manusa jadi gélo, malahleuwih parna deui, manusa bisa maot.

Kadmium batré bisa ngontaminasitaneuh jeung cai nu dikonsumsi manusa,asup kana awak manusa, ngaruksakginjal jeung haté, ogé bisa ngahipukeuntulang atawa ngalantarankeun cacadatawa tanpadaksa tulang-tulang, tulang-tulang ruksak parna.

Kadmium ogé bisa ngabalukarkeunkaracunan kronis jeung jadi paktorpanya bab “emfisema” (kasakit paru-paru “obstrutip kronik” nu nyababkeunruksakna kantong udara dina paru-paru).Lian ti kitu, panyabab “osteomalasia”(hipuna tulang), anémia (kurang getih),sarta lumpuhna tulang-tulang manusa.

Tétéla tacan loba masarakat anusadar kana bahayana batré nu geus teu

Kapaké. Loba anu sagawayah neun-deun batré nu teu kapaké dimana baé.Tampolana diantep dipaké ulin ku baru-dak. Aya informasi ti sawatara urangGaluh Ciamis, di wewengkon Ciamis

mah mariceunan baré urut téh ka kebon,ka sawah, jeung kana akar tutuwuhancenah alus keur gemuk. Di Bandung ogéloba anu mariceun batu batré ka kebonsangkan pepelakan subur cenah.

Runtah batré kudu diurus sacarahusus, mun geus teu kapaké kumpulkeundina tempat husus. Pisahkeun tina rupa-rupa runtah séjénna.Di Bandung ayatempat husus keur ngumpulkeun batréurut atawa runtah batré nyaéta di TOBU-CIL jalan Acéh nomer 56, teleponna022.4251548. Cp. Sdrk. Tarlan jeungYayasan Kontak Indonesia Jln. KHA.Dahlan no 67, telepon 022.7230735. CP.Sdrk. Endy.

Éta limbah B3 tina batré diruang dinajero taneuh nu geus ngandung bahankimia séjénna pikeun dinétralisir jeungdiancurkeun sangkan henteu nyemar -keun lingkungan.

Di nagara-nagara maju saperti Éropa,geus disadiakeun husus keur ngadaur-ulang runtah, ka asup runtah batré.

Ngilik tina bahayana limbah batré,mimiti ayeuna urang kudu saradar jeungpaduli kana bahaya nu ngancam urangsaréréa, keur kasehatan jeung kasala -metan diri urang. Nyaéta ulah sambara -ngan miceun runtah batré. **TatiS.Hartati Sutardi**

Sabada ngaliwatan prosés waktu saki -tu panjangna, enggoning natahar -keun albeumna dina wanda

Dangdut, “Buaya Cinta”, minangka judullagu anu jadi kokojona dina albeum mung-garan Soraya Liberty, wanoja pituin Ban-dung.

Miang tina karesepna kakawihan, tibudak mula, ieu wanoja kalahiran Ban-dung 27 taun katukang, geus meunangpangbagéa ti balaréa. Ku sora halimpujeung dedeg pangadegna anu jangkung len-jang, ieu artis ti kota kembang téh remendiondang pikeun manggung dina rupa-rupa kagiatan. Salian ti éta, mun ieu wanojapada mikawanoh, teu anéh, sabab remenngalanglang saba kota ngayakeun “talkshow” kakawihan luyu jeung dunyana(artis). Lian ti dunya kakawihan, ieuwanoja gé aktip deuih di dunya butik jeung

“fashion”. “Ngadamel albeum nu saé sarta gaduh

daya tarik,éestu kedah dipidamel kalawandaria tur propésional,” kitu ceuk ieu artisnu kungsi meunang pangajén PenyanyiDangdut Wanita Terbaik RDP Cianjur,sarta Pinunjul I Dangdut PAMMI 2008.

Albeum munggaran anu lébelna‘Mahes wara Record’ diolah daria nakerku Soraya Production, kalawan eusinateu kurang ti sapuluh lagu, boh lagucipta an sora ngan boh karya-karyapanga rang petingan.

Di antara lagu-laguna téh “BuayaCinta “ karangan Soraya , “TTDj”karangan Solid Ag., “Dilema” beunangnaEndang Kurnia; “Kartu Merah” ciptaanEndang Kurnia”, “Sadis” karangan SolidAg; jeung “Akang Atlan” lagu ciptaanAgus Gepeng.*** (nay)

Batré Urut Ulah Sambarangan Dipiceun

Buaya Cinta Kokojo Albeumna Soraya Liberty

Page 54: Mangle 2478

53Manglé 2478

Ku ditetepkeunana MRA (Mutu -al Recognition Arrangement)saban nagara anggota ASEAN,

teu diiwalkeun, keur sakumna “desti-nasi” pariwisata sadunya diperedihpikeun ngahontal sértifikasi setandarpalayanan nu bisa ditarima (accep -teble) keur papada anggota ASEAN.

Patali jeung éta ha eta, industri pari-wisata saperti hotél, ti waktu ka waktuterus mekar luyu jeung mekarna dunyausaha, pon kitu deui ku beukinambahan ana jumlah hotél, hususnyaanu aya di Jawa Barat, kalawan rupa -ning klasifikasi, boh Bintang boh NonBintang (Melati). Usaha jasa perhotélankiwari keur nyanghareupan persaingananu kacida beuratna. Ku kituna, sabanhotél diperedih sangkan mampuhnerap keun “sistem service of écellent”,sarta kudu boga daya tarik pikeunngirut konsumén.

Maju tur suksésna hotél ditangtu -keun ku jumlah kamar nu dieusian kukonsumén. Ku kituna, manajeménhotél geus bisa ngéker-ngéker presén-taseu “hunian kamar”, ulah nepi kakamar nu kaeusian kurang tina kapa-

sitas kamar nu geus disadiakeun. Ku sabab kitu, dina bisnis per-

hotélan estu kudu terus ningkatkeunajén Sumber Daya Manusia (SDM).Lantaran kualitas SDM bakal nangtu -keun pisan kana ajén produk jeungpalayanan hotél.

Ningkatkeun citra pariwisata JawaBarat di tatar nasional hususna, inter-nasional umumna, perelu rupaningtarékah. Lian ti ngahangkeutkeun gawébareng jeung pihak-pihak séjén anu ayapakaitna jeung widang wisata, ogéperelu pangrojongna SDM nu punjul.Pikeun nyitak SDM punjul, minangkasalasahiji tarekahna, ku cara sértifikasikompeténsi widang parwisata, hususnatanaga perhotélan.

Éta hal ditétélakeun ku Drs.Rusyandi, M.Si., Kepala Balai Pengem-bangan Kemitraan, Pelatihan TenagaKepariwisataan Dan Kebudayaan JawaBarat, dina acara ”Sertifikasi Kompe-tensi Tenaga Hotél”, sawatara waktu katukang di Grand Hani Hotel, Lémbang.

Demi nu jadi udagan digelarnaacara, ceuk Rusyan, nyaéta pikeunngaronjatkeun kuantitas jeung kualitastanaga hotél sangkan mibanda sértifi -kasi anu luyu jeung “standar kompe-

tensi kerja” (SKK) nu ditetepkeun kupamaréntah. Béh dituna, éta paratanaga hotél siap nyanghareupanpersai ngan global nu mingkin kompeti-tip.

Rusyandi ngécéskeun, kagiatan di-iluan ku 20 urang pamilon ti sabandaérah kabupatén/kota di Jawa Barat,di antarana ti Kabupatén Garut, Kabu-patén Bandung Barat, Kabupatén Su -bang, Kota Bandung, KotaTasikmalaya, Kabupatén Purwakarta,Kabupatén Sumedang, KabupaténCianjur, Kabupatén Karawang, jeungKota Bogor.

Materina anu ditepikeunana,sabudeureun arah kawijakanngamekarkeun SDM Pariwisata diProvinsi Jawa Barat, kaweruh ngeuna -an sértifikasi tanaga hotél, sarta praktékjeung uji kompeténsi. Dina uji kompe -ténsi, diluyukeun jeung StandarKompe tensi Kerja Nasional Indonesia(SKKNI) nu geus ditetepkeun kupamarén tah.

Nu jadipangjejerna, para nara -sumber nu kompetén dina widangna,para “Master Asessor”, jeung “Asessor”nu geus genténg kadék legok tapak dinawidang perhotélan.***(nay)

SDM Perhotélan Kudu Terus Ditingkatkeun

Drs. Rusyandi, M.Si., Kepala BalaiPengembangan Kemitraan, Pelatihan

Tenaga Kepariwisataan Dan KebudayaanJawa Barat.

Ngawujudkeun SDM tanaga hotél unggul

Page 55: Mangle 2478

Manglé 247854

BBalé Bandung

Ontohod! Sontoloyo! Kitu sorakakeuheul urang ngabandu -ngan kahirupan pulitik kiwari.

Teu kitu kumaha, atuda sasatna urangdigiring kitu wae milu kana pemilu(pileg jeung pilpres) 2014 ayeuna nutatapakanana sakitu hengkerna. Cobageura, beaya pemilu trilyunan, tapipemilu legislatip kamari sakitu mataknguciwakeunana. Kahiji, cara atawasistem pemiluna nu sakitu bokbrokna.Geuning “pulitik uang” poharamahabu na. Matak heran, kunaon teuditataharkeun nyadiakeun pelaksanapemilu nu hade? Upamana wae, diaya -keun pelatihan heula nu asak?Kadua,cara nyadiakeun caleg (kaasup anggotaDPD) nu dipasrahkeu kitu wae kaparpul jeung jinisna masing-masing.Teu tembong aya sistem nu mampuhngayak caleg nepi ka ngahasilkeunwakil rahayat nu ajenna unggul. Anakieu, kumaha bisana atuh lembagawakil rahayat (DPR/D jeung DPD)ngahasil keun produk UU nu nedunanpangabutuh masarakat? Kumahabisana nagara urang nu keur geringbisa cageur mun nu ngarawatna ogejelema gering wungkul?

Ayeuna, der campuh nyanghareu -pan pilpres nu waktuna sakitunyantek na. Kecap nomer hiji! Nu teukaharti, eta geura, kunaon milih capresjeung cawapres saukur ngandelkeunhasil survey ? Kulantaran hasil surveypasangan Joko Wi jeung JK unggul,nya dicindekkeun kitu wae, pasanganbieu tegep pisan cenah mun dipilih ku-lantaran luyu jeung kahayang rahayat.Ke heula, juragan, pan kahayang raha -yat nu tembong tina survey teh teu nga-jamin bener atuh! Coba geura,Soekarno, Soeharto, kitu deui SBY,apan kungsi pada mikaresep ku raha -yat, tapi ahirna tembong hengkerna.Jas Merah, Jangan Sekali-KaliMeninggal kan Sejarah.Eta nu perlu di-larapkeun ka pasangan capres-cawapres ayeuna oge. Ari saukurnurutkeun karesep rahayat mah atuhsarua wae jeung urang Jerman baheulanu kagelo ku Hitler, atawa urang Peran -cis ku Napoleon nu memang dinajaman na kungsi dipikaresep kurahayat na. Hasilna kumaha? Apansaki tu matak kukurayeunana.

Sang PemilikTetela urang digiring kitu wae sina

milu kana pemilu, bari jeung teudibekelan pangaweruh jeungpangabisa, kumaha carana milihpaming pin nu hade. Malah, sasatna,samakali henteu ditataharkeun tur di-upayakeun kumaha carana supaya sis-tem pemilu urang mampuh mahingmunculna pamingpin euwah-euwah.Atuh nyucudna, dina kapilihna engkewakil rahayat jeung pamingpinpamarenta han nu teu eucreug, apanrahayat deui wae nu disalahkeun mah.“Anda sendiri yang salah, kenapamemilih dia?” kitu pokna teh. Padahal,sakuduna mah pamarentah, KPUjeung lembaga wakil rahayat intros -peksi atuh, kunaon hasil pemilu

nyamos wae. Ulah ieu mah tuluy sindirsampir nyalahkeun rahayat nu teutuah teu dosa.Mun kieu, naon bedanaatuh Orde Reformasi jeung Orde Barunu sarua henteu “mencerdaskan raha -yat?”

Jelas, Orde Baru teu boga karepminterkeun rahayat, kulantaran sieunmasarakat nu kritis bakal ngaruntuh -keun sistem pamarentahanana nurepresip. Tapi, ceuk saha pamarenta-han ayeuna oge henteu represip?Sarua wae juragan! Saha geura nu nga-jago satukangeun pamarentah jeunglembaga wakil rahayat? Pan parpulgalede nu dikawasa ku Sang Pemilik nuurang oge apal nepi ka mana tingkatkaadaban publikna…

Golput ideologisTangtu urang oge telenges tur teu

adil mun meunteun Orde Reformasiayeuna nol besar. Aya eta oge plusna,minimal ayana kabebasan. Tapi, panteu cukup saukur kabebasan ku -lantaran urang oge tetep merlukeunkapamingpinan nu hade dibarengnaku sistem nu ngarojong kaadilan jeungkaraharjaan.

Sabada pileg kamari nu nguciwa -keun, nya dalah di kumaha, urang pajuwae pilpres engke bari jeung reakakurang na oge. Nu teu parok kanasistem pemilu ayeuna, nya teu nanaonmilih golput oge, asal ambang batasnaulah gede teuing. Maksudna, jumlahnaulah rea teuing nepi ka bisa ngancampamarentahan hasil pemilu engke hen-teu “legitimate”.

Masing kumaha wae oge, golputideo logis leuwih mangpaat tibatan numarilu pemilu bari jeung maksudna jualbeuli kakawasaan wungkul. Golput numilih “jalan kesunyian penuh denganketulu san” leuwih mulya tibatan nu mari -lu pemilu bari jeung munapek! Onto hod,sontoloyo!*** Karno Kartadibra

Dalah Dikumaha

Page 56: Mangle 2478

55Manglé 2478

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Papasangan halu4. Lepus, sakti7. Kamar mandi9. Pramuka11. Wakil rayat12. Gunung14. Panampungan cai16. Wangun obat17. Kabeh (Inggris)18. Nuduhkeun ka nu deukeut21. Turunan kahiji23. Ikatan Dokter Indonésia24. Paranabi27. Kopé karangan/tulisan asli30. Paragi meuntas21. Cai muih di walungan/di laut

KA HANDAP:1. Hina2. Anak adi3. Maskapé penerbangan di nagara urang4. Waktu Indonésia Barat5. Nu ngajaga jeung méréan sagala rupadahareun di nu kariaan6. Musuh7. Sugih mukti8. Papasangan baud10. Ukuran ‘kecepatan’ pilem13. Ongkos kawin nu kudu dibayar kaKUA

15. Manuk sabangsa walét19. Hurang garing20. Angin puyuh22. Nu anyar kaliwat25. Rambut26. Sangu garing28. Kantong semén29. Geulis

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1443. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuirdua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1441:

1. Feri SaepullohManglayang Regency Blok F6/4Cileunyi - Bandung

2. Iwan KurniawanJl. Mohammad HattaGg. Citalaksana II No. 43Tasikmalaya

3. Euis Komalasari R.Jl. Rumah Sakit RT 03/03 245Bandung

1443K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1441

JATUKRAMI

Nitih wanci nu mustari ninggangmangsa nu utama. Runtuyankaasih jatukrami jadi bukti.

Parantos ngadahup:

Arif Nurhakim, (wargina RudiH. Tarmidzi-Sekred Mangle)

KaEndang Noviyanti, putra kula -

warga Bapa Sastra sareng IbuSarah

Akad nikah sareng acara sukuranwalimahan (resepsi) dilaksana -

keun dinten Saptu, 17 Mei 2014 diSumedang.

Beber layar tarik jangkar ngam-bah sagara kahirupan

Paguneman padungdengan an-tara batin duaan

Silih asah, asih asuh jeung silihtalingakeun

Sinareng éta ais pangampihMANGLE ngahaturkeun wilujengjatukrami sareng ngiring bingahka nu kagungan maksad ti dua

pihakan ana, kitu deui ka pangan-ten sakalih. Mugi sing lambat-

lambut enggoning ngambahsagara rumah tangga. Amin.

Page 57: Mangle 2478

Manglé 247856

LLempa Lempi Lempong

“Masih kénéh perkara budak,Lo.”

“Perkara kekerasan ka barudakleutik téa, Mang?”

“Enya.”“Ih, geuning manjang, Mang?”“Tangtu baé manjang ari teu di-

ungkulan sacara daria mah, Lo.”“Yaktos.”“Salah sahiji paktor maweuhna

kajahatan ka barudak leutik téh,cenah alatan kurang deukeutnakolot jeung anakna.”

“Réa kolot nu saribuk jamanayeuna mah nyah, Mang. Nepi kateu boga waktu keur deudeukeutanatawa merhatikeun anakna.”

“Kitu pisan, Lo.”“Tungtutan jaman atuh da,

Mang.”“Tungtutan jaman kumaha ari

Alo?”“Dina jaman ayeuna mah réa

salaki jeung pamajikan nu duananadigawé, atawa duanana usaha nepika anakna dipasrahkeun atawa di -asuh ku bujang, Mang.”

“Bener, Lo.”“Antukna komunikasi antara

kolot jeung anakna jadi kurang.Kamekaran budak, pangpangnasacara psikologis, teu patikaperhati keun ku kolotna.”

“Ih, geuningan pinter Alo téh.”“Héhéhé….”“Alatan kitu, Ibu Gupernur

ngadamel gerakan dua puluh menit,Lo.”

“Dua puluh menit naon, Mang?”“Dua puluh menit deudeukeutan

atawa padeukeut jeung budak, Lo.”“Ukur dua puluh menit, Mang?”“Minimal dua puluh menit téh,

Lo. Da alusna mah leuwih lila ti duapuluh menit.”

“Oh.”

“Ku ayana éta gerakan, di -piharep tatali batin antara kolotjeung anakna terus nganteng. Sartamun aya pasualan nanaon kabudak, bakal terus kadetéksi kukolotna.”

“Yaktos.”“Ku éta gerakan dipiharep bisa

ngungkulan pasualan mahabunatindak kekerasan séksual ka budakleutik.”

“Éta ku ku kacida jaman ayeunamah, Mang.”

“Ih, lain kacida. Puguh alus gera -kan nu dilaksanakeun ku IbuGuper nur téh.”

“Kacida téh lain kana program tiIbu Gupernur, tapi kana kaayaanjaman ayeuna. Rék babarengan duapuluh menit téh kudu digerakeunku Ibu Gupernur.”

“Heueuh ku kitu téana mah.”“Teu cara jaman keur uing leu-

tik.”“Na kumaha jaman keur Alo leu-

tik.”“Bébas rék iraha baé gé

léléndéan ka kolot téh.”“Heuheuy.”“Matak urang gé kudu terus

metakeun tarékah sangkan réawaktu keur babarengan jeungbudak.”

“Satuju.”“Ulah hayoh-hayohan ngudag

dunya bari budak diculkeun,ditambélar keun.”

“Yaktos.”***

Dua Puluh Menit