Mangle 2454

57

Transcript of Mangle 2454

Nincak ahir taun, meujeuhna nitenan lengkahka tukang. Ngimeutan deui nu kungsi kasorangsarta waléh daék narima pamanggih ti mana

waé jolna. Dipiharep, kapunjulan jeung kahengkerannu geus disorang téh jadi tatapakan geusan natahar -keun léngkah saterusna.

Tumali jeung pakarepan kitu, Manglé gé gaduhtekad tur karep, sangkan dina nepungan paramitratéh, tetep janten bacaan nu aya pupurieunana.

Carana, insya Alloh dina taun anyar mah, Manglegé robah wanda. Lian ti ngarah katempona leuwihsieup, ogé eusina leuwih ‘nodel’ mamaras rasa mitra-mitrana.

Ais pangampih ieu majalah sadar pisan, Manglé téhmajalah ‘panglilipur’. Ngan, tangtos sanes ukur ngan-

teur kalangenan, tapi deuih hoyong nyumponantangtungan ana minangka media informasi basa Sundakeur balaréa. Ku margi kitu, lian ti angger ngamuatcarpon, carita nyambung, sajak, lulucon sareng sajabi -na, ogé tetep ngamuat warta ogé ‘opini’ nu payus di -piwanoh balaréa.

Tumali sareng informasi, pihak Manglé gé baristetep satekah polah, ilu-biung ngawartakeun nu payusdipiwanoh mitra-mitrana. Misalna waé, ngeureuyeuhngawartakeun nu tumali sareng kahirupan kanagara -an, kaasup sual-sual konomi, atikan, budaya, pultik,sareng sajabana.

Pakarepan kitu, tangtuna ogé peryogi pangrojongbalaréa. Da, ais pangampih gé sadar pisan, ieu majalahtiasa medal keneh téh margi ku kanyaah mitra-mitra -na. ***

Nataharkeun Léngkah Anyar

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350ISSN: 0852-8217ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-7309720 E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANGRUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAKCucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDENAsep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

PURIDING PURINGKAK

Budak nu LeungitN. W. Galih ..................................... 24

BAHASAN

NGALANGLANG ALAM RUSDIJEUNG MISNEM (7)Budi Rahayu Tamsyah

......................................................... 46

LAPORAN

Anugerah Budaya 2013Ti Gupernur Jawa Barat......................................................... 44

IMPLIK-IMPLIK

Nu Ngalumbara di Tatar Sunda......................................................... 46

CARITA PONDOK

Katiga Entak-EntakanH.Usep Romli HM ............................ 18

Kulambu Sutra Tety S Nataprawira ............................. 20

Ésih Jeung DuyéhYus R. Ismail ....................................... 22

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1Kaca Tilu ............................................ 3Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Alit ....................................... 31

Katumbiri .......................................... 36

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (184)............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (23)M.A. Salmun

............................................................. 12

5TAMU

Hj. Ratna Inten SH;

Nuyun Tunanetra, Maca Qur’an Braille

Po

tre

t : R

eis

yan

Katiga entak-entakan. Jeung teuing kupanjang deuih. Geus liwat tilu bulan.

Sawah gé robah jadi amparan tela.Ngewag bareulah matak tiporos sukubudak. Walungan ngolétrak. Susukan

irigasi garing. Kakalén mah komo. Metetruntah pamiceunan sagawayah.

“Geus meujeuhna salat ménta hujan!”Kepala Desa Cikerung sababaraha kalimikir. Terus ngagorowok ka hansip....

18

Katiga Entak-Entakan

Kang Ahér

Meujeuhna lamun KangAhér unggul di JawaBarat téh. Geus genep

taun mingpin Jabar, piraku masihkénéh aya anu teu wawuh. Papada -ning kitu sorana henteu géséh jauhjeung nu séjén. Ahér 18,72%, Hi-dayat Nur Wahid 18,57%, AnisMatta 17,02%, Tifatul Sembiring10,7%, Nur Mahmudi Ismail6,84%.

Partéy Keadilan Sejahtera(PKS) naratas pola anyar dinaenggo ning nyéléksi saha-sahanaanu dianggap pantes pikeun jadicalon presidén atawa calon wakilpresidén. Biasana apan saha-saha na anu bakal nyaprés téhlangsung ditunjuk ku partéy.Partéy Golkar ayeuna netepkeunAburizal Bakri sina ngandidat téhdumasar kana kaputusanpartéyna sorangan.

Basa anyaran réformasi Golkargeus mokalan ngayakeun kon-vénsi. Harita anu kapilih téhWiranto, lain Akbar Tandjung anukeur jeneng jadi ketua Golkar.Sigana mah kadieunakeun radaginggiapeun inggis bisi ketuanateu kapilih. Nu matak ti mimitiJusuf Kalla (2009) jeung taunhareup nu pibakaleun sina nyapréstéh langsung ditunjuk ku parpolnasorangan. Saha deui lamun lainketua umumna.

Ari PKS carana béda. Ieu mahngayakeun pemilihan raya.Sesebutan ana mah sarua jeung nudi Malaysia. Ngan di ditu mah nudisebut pemilihan raya téh nyapemilihan umum anu di urang.

Pemilihan raya nu diayakeun kuPKS gé sed saeutik ti dinya. Calon-calon presidén ti PKS sina dipilihku kaderna di daérahna masing-masing. Alhasil pemilu leuleutikan,lah. Meureun engkéna beubeuna -ngan sorana bakal dikumpulkeun,diitung sarta ahirna ditetepkeun nuunggulna.

Tina ngaran-ngaran anu dipilihdi Jawa Barat téa, ngan aya duaananu keur mingpin di daérahna ma -sing-masing, nyaéta AhmadHéryawan (Gubernur Jabar) jeungNur Mahmudi Ismail (WalikotaDépok). Nu séjénna mah pangurusparpol.

Majuna kapala daérah pikeunngandidat jadi calon presidén bisadisebutkeun totondén anyar.Saumur urang merdéka tacankungsi aya kapala daérah anukapilih jadi presidén. Soekarno,Suharto, Habibie, Gus Dur, Méga -wati jeung Yudhoyono, tayasaurang gé anu saméméhna jadi ka-pala daérah.

Majuna kapala daérah pikeunnyalonkeun jadi presidén, siganaperlu dirojong. Bisa jadi tacankaruhan bisa kapilih dina taun2014. Tapi pikeun ka hareupna soalieu téh katimbang penting.

Nu kungsi jadi kapala daérah,gubernur upamana, pasti bogapangala man langsung kumaha hésécapéna ngurus daérah. Maranéhnabakal boga luang dina enggoningnetepkeun kawijakan anu patalinalangsung jeung pangabutuh dimasyarakat. Bakal béda jeung anukungsi jadi mentri, lantaran

lolobana ulukutek di satukangeunméja.

Pangalaman ngurus téritorialtéh kacida perluna. Lamunngabéda keun antara pamaréntahanSuharto jeung pamaréntahan SBY,sigana nyokona téh dina pangala-man téritorial téa. Suharto beunangdisebutkeun lila bebelesekan ngu-rus di lapangan, sabalikna SBY mahhenteu kitu. Nu matak meujeuhnalamun salila pamaréntahan SBYtacan aya kawijakanana anu orisi-nal jieunan manéhna sarta ngakarkana pangabutuh rayat. Dina uru-san ieu mah SBY umumna semetneruskeun hanca anu kungsi di-garap ku presidén nu saméméhna.Sedengkeun kawijakan SBYlolobana semet nyumponanpameredih global.

Dina perkara Kang Ahér téa,katémbong najan unggul tapi sora -na teu jauh jeung Hidayat NurWahid. Padahal ku saréatna,meujeuh na lamun jauh leuwih ung-gul téh, da apan hasil gawé KangAhér di Jabar leuwih jelas batannaon anu kungsi dipigawé ku Hi-dayat Nur Wahid. Lebah dieu, dinaenggoning kader PKS netepkeunpamilihna téh sigana masih kénéhkapangaruhan ku popularitas, laingawé anu konkrit.

Lamun engké anu sorana pang -lobana téh tokoh populér di tingkatnasional, sigana bisa dimaklum.Tapi perluna anu kungsi jadi kapaladaérah mingpin bangsa anggerkudu dipertahankeun. Pangalamandi lapanganana anu bakal jadimodalna téh. AM

Manglé 2454 3

4 Manglé 2454

Teu Karaos

Sampurasun!Nyi Mangle, waktu teh teu

karasa. Asa kamari taun 2012teh, ayeuna geus rek nincakdeui kana taun 2014. Meure-unan, keur urang mah, kudutiasa nyandak hikmahna wae.Lantaran, upama ti sabantaun ka taun, teu aya paroba-han, meureunan cek agamamah disebut rugi tea.

Tah, ieu mah minangkapangemut-ngemut bae.Kumaha upama kamekaranbudaya Sunda? Naha aya ka-majengan ti taun ka taun?Atawa naon wae nu kacatetdina taun 2013? Sanaos dinaMangle henteu aya berende-lan prestasi husus widangkabudayaan, tapi keun wae.Nu penting, karasana kuduaya, kudu maju, kudu bedajeung ti taun-taunsamemehna.

Memang ari prestasi bu-daya mah, lolobanana mahsok kumaha diri pribadi so-rangan bae. Pamarentah mah

saukur ngahaminan tawamere pangajen. Tah, ku ki-tuna saperti anugerah-anugerah nu dipasrahkeundina taun 2013 kamari, kapara inohong, masing mang-paat, masing tiasa ditepakeunka generasi dina taun kahare-upna.

Ieu rupina ku dipiharepku sumkuring mah, yenkamekaran budaya Sundalain saukur napel dina prib-adi-pribadi wungkul, tapi ogekudu aya pangajen nu jadikareueus sarerea. Contonawae, pangajen ti luar negeri, tinagara nu dipasrahkeun kaurang Sunda, keur nyieungedong Sunda atawapangabutuh urang Sunda. Ji-gana bakal leuwihdipikareueus.

Sakitu wae, mudah-mu-dahan Mangle mah teras nan-jung ti taun ka taun.Simkuring percaya, lantaranari Mangle mah geus kauji, tibareto keneh henteu pegatmedal, nepungan balarea dimana wae ayana.

Sakitu wae, sakali deuihatur nuhun.

Wassalam,

Zidni IlhamMajalaya Bandung

Pepereconan

Sampurasun!Ganti taun, sok aya

raramean. Kayaning perecon,kembang api jeung kamone-san sejenna, mani ngahajadiaya-ayakeun. Tah, keursimkuring mah, nu karitu tehasa teu perlu. Komo kanaperecon mah. Eta teh pi-cilakaeun. Nu mareulina ogeapan lolobana mah barudakleutik, nu sok tara tarapti.Balukarna taun kamari ogeapan loba kajadian gara-garapepereconan teh.

Ku kituna, mungpungayeuna jauh keneh, kumahaupama keur urang tatarSunda mah, pamarentahsatempat, saperti GupernurJawa Barat, ulah ngidinan

raramean ku cara pepero-canan. Malah kudu ayalarangan dagang perecon, numatak pibahayaeun balarea.

Kitu deui, dina nyang-hareupan raramean, boh dikota boh di kampung, biasasing meakkeun waragad nulain saeutik. Malah cenah nepika miliyaran. Tah, keursimkuring mah asa mubazir.Komo deui, aya warta, cenahpamarentah oge bet, ngan-cokkeun waragad keur mapagtaun anyar nu teu euleum-eu-leum. Padahal eta waragad,lamun dipake keur mantuannu kakurangan atawa keurmantuan bea siswa, kacidahadena.

Tah, ku kituna, sakali deuika pihak pamarentah, masingleres-leres nyanghareupantaun anyar teh, ku kagiatan nuedukatif, nu ngadidikmasarakat.

Sakitu hatur nuhun.

Arif MujahidTi Cibiru Bandung

Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Rooji’un

Parantos mulih ka jati mulang ka Illahi Robbi Alloh Swt.

Dikdik Yusuf Affandie bin H. Djamhur Prawira Supena(77 taun)

Ngantunkeun dinten Saptu, 9 November 2013, tabuh 17.00 WIB di JalanParabon III No. 7 Terusan Kiara Condong (Pengkereun Samsat) Bandung.Saterasna almarhum dikurebkeun dinten Minggu, 10 November 2013 diPamaka man Kulawarga di Jalan Moh. Toha (Jl. Cibiuk) Bandung.

Allohumagfirlahu warhamhu wa’afihi wa’fu anhu. Allohuma laa tahrimnaajrohu wala taftina ba’dahu wagfirlana walahu. Mudah-mudahan almarhum ditampi Iman Islamna,dicaangkeun di alam kuburna. Amin.

Bandung, November 2013,

Nu ngiring sungkawa,

1. Dra. Hj. Lies Suhaenah (bojo alm.) katut sakumna kulawarga Besar Alm. Dikdik Yusuf Affandie (Palaputra, mantu, ogé cicit)

2. Sakumna Ais Pangampih Majalah Manglé

Waktu Garut gunjang-gan-jing balukar bupatina ka-tohyan metakeun

laku ning lampah codéka, kaumwanoja kota inten kahudangkeunsumangetna geusan milu tandangngagugubrag kepala daérahsangkan mulang kana lakuninglampah anu hadé anu diridoan kuAlloh. Memang unggul , étapupuhu daérah tigubrag tina korsikakawasaanana. Sanajan kanyaho -

an bet ayeuna miluan tandangkana pilihan Ketua DPD wawakilti Tatar Sunda, beu! Saha étawanoja anu maju makalangan téh?Jenenganna jadi ngorbit, Hj.Diana Inten SH. Tetela Garut kotainten boga Inten anu teuneungludeung turta taya kacapé babak-tina ka masarakat Garut hususna.

Ditepungkeun ku Ny. DewiPandji garwa jenderal pulisi Pandjiti kota Bogor. Tetela Hajjah Inten

téh pribadi anu gampang conggah,darehdeh soméah, akuan turtagerecek resep ngawangkong jeunggampang diajakan nyarita kamana baé, sumawonna kana uru-san sosial jeung kawanitaan.

Istri Dokter Tito Apriyana téhpituin urang Garut, ramana HajiUkon Sastrawidjaya, ibuna HajjahDewi Ratna Ningsih. Carogéna Hj.Inten, Mayor C.K.M Dr. H. TitoApriana Sp. B. Finaes. Hajjah

Manglé 2454 5

Diana Ratna Inten kacida nyaahdeudeuhna ka Garut kota inten,warisan Ratu Inten Dewata. Nu-matak waktu dina hiji mangsaGarut gunjang ganjing balukar Bu-pati katohyan lakuning lampahnacodéka, Nyonya Dr. Tito téh milutandang, maju ka hareupmetakeun gerakan anti pelecehanterhadap wanita lantaran Sang Bu-pati ngahandapkeun harkat dara-jat katut martabat wanoja.

Sakumaha luhur pangkat gedédunya, lalaki henteu boga hak kitupeta, komo pangkat Bupati anuwajib nangtayungan rayatna.Mama ras rasa Hajah Intenkagores peurih, numatak milu ger-akan ngagugubrag bupati. Nudiperjuangkeun ku Hajjah Intensaparakanca éstuning masalahharkat darajat wanoja anu geusdigejret keun ku pupuhu daérahna.Nya ieu Inten wanoja peduliGarut!

Hajjah Diana Ratna Intensarja na hukum lulusan UniversitasParahiyangan Bandung téh di-lahirkeun di Tasikmalaya 8 Sep-tember 1959. Pendidikan ti SDHalimun, SMPN 2 tepi ka SMAN5 dilakonan di Bandung, tamatsakola menengah sup ka Fak.Hukum Unpar tug tepi ka ngagon-dol titel SH.

Ayeuna babakti jadi ManajerH.R.D Mahesa Medical Centerngarangkep jadi Pengacara.

Di Mahesa Merdical Centreberjuang jeung carogena dinawidang kasehatan, dr. Tito téh Di-rekturna, Rumah Sakit mahesamemang diadegkeun ku alpukahnaDr. Tito jaler istri, sakulawargasilih rojong silih deudeul. Dr. Titoogé anyar kénéh diistrenan jadiDirektur Rumah Sakit TNI - ADGuntur Garut.

Tokoh OrganisasiHajjah Ratna Inten dikenal di

kalangan masarakat Garut sababaktip dina rupa-rupa organisasipangpangna sosial kamasaraktan.Kulantaran istri dokter, HajjahInten jadi Ketua Ikatan Istri Dok-ter Indonesia cabang Garut, ku -sabab carogena tentara, HajjahInten ogé anggota Persit Kartika

6 Manglé 2454

Dr. Tito, Hajjah Ratna Inten sareng Bapa Ukon Sastrawidjaya, Ibu Hj. Dewi Ratna Ningsih

Hajjah Ratna Inten sareng mertua, IbuR. Kartika sareng Bapa R.Sunarto.

Sareng kanca mitra ti Ikatan Istri Dokter Indonesia cabang Garut (IIDI)

Manglé 2454 7

Candra Kirana Garut. KetuaPaguyuban Wanoja peduli Garut,anggota Pita Putih cabang Garut.

Dina widang sosial ka-masarakatan aktip di HIMPAUDI(Himpunan PAUD) seluruh Indo -nesia cabang Garut, ngiringngokola keun SLB/A, YKB Kab.Garut. Nuyun para tunanetra macajeung neuleuman eusi Al Qaur’anBraille . Teu kaliwat milu ngokola -keun Madrasah , Pasantren di Kab.Garut. Urusan Kematian Ibu danAnak ogé henteu dikantunkeun kuHajjah Inten. Terus di Yayasan Tha-lasemia jeung Urusan Gizi Buruk.Tétéla di Garut cukup loba anukeuna ku Thalasemia, pangpangnabarudak, ayeuna loba anu dirawatdi RS. Dr.Slamet, Hajjah Inten milupakepuk mantuan ngungkulanana,sabab waragad tatambana mahalpisan, ari anu Thalasemia lolobanaanu teu mampuh.

Supaya masarakat paham kanapentingna miara kasehatan, jeungparaham kana hukum, HajjahInten gawé bareng jeung paramahasiswa madesaan mérépenyuluhan kasehatan jeungHukum. Ngayakeun pelatihan ka-parigelan oge keur ibu-ibu jeung ru-maja. Tanpa pamrih Hajjah Intenmantuan PAUD-PAUD, Madrasahjeung Pasantren anu kaayaananageus ripuh tapi program ngajarjeung diajarna alus muridna ogéloba. Sarana jeung prasaranawawangunanana, jeung sagala rupakaperelunana kaasup tempat ulinbarudak diwangun anu pantes.Waragadna méh kabéh ti HajjahIntan. Listrikna dipasang kitu deuikapereluan séjéna keur sakola,pokona sapuratina. Dumasar kanagedéna kamelang Hajjah Inten kaPAUD, istri dokter Tito dipercayajadi “Pemerhati” PAUD sa kabu-paten Garut. Bantuanana henteuaya pegatna sapanjang PAUDmerelukeun.

Babarengan jeung para Istridokter sejenna di IIDI HajjahInten ogé ngabina SLB/A sakabupaten Garut.

Hususna dina widang pembela-jaran Al Qur’an Braille keur tuna -netra sa Kabupaten Garut.

Nu pusatna di SLB, A. YKB.

Garut. Ngadegkeun pusatpembelaja ran Al Qur’an BrailleRaden Ayu Lasminingrat, dirojongku Diki Chandra jeung istrina tikeur jaman jadi Wakil Bupati.Hajjah Ratna Inten miharep paratuna netra hususna, bisa maca AlQur’an saperti anu sejen-sejennalancar tur bener, pangpangna bisangamalkeun eusining Al Qur’andina kahirupan sapopoé, henteualus macana wungkul. Tetela saurHjjah Inten, Qur’an Braille mikathaté para tunanetra, dimana baémaranéhna, matuh, ti lembursingkur ogé daratang dina waktu -na, maraca Al Qur’an braille enya-enya pisan. Maranéhna ngarasajadi Muslim anu bener-bener ayagunana, lantaran henteu ngansakadar ngupingkeun wungkul,ayeuna mah bisa maca jeungngaregepkeun eusina.

Hajjah Inten ngarasa sugemaeunpisan nyaksian kamajuan di kala -ngan tunanetra ieu. Tuanetra anutadina ngarasa poék lahir batin ki-wari kabuka mata haténa, caangnarawangan geusan neuleumanélmu agama anu leuwih jero. IbuHajjah Inten ogé mekelanpangabisa ka para tunanetra keurhirupna sapopoé, nya nga-datangkeun guru ti Bandung keurngalatih kaparigelanana. Nuhayang neruskeun pendidikan kasakola anu leuwih luhur dibérébeasiswa. Keur tempat panyiruru -kan ana, IIDI cabang Garut ngo -méan asrama SLB-A sangkanleuwih sehat, pantes turta betah di-paké panyirurukan. Para tunanetraanu pareng gering atawa aya gang-guan kasehatan, dirawat jeung di-tambaanana di Mahesa MedicalCentre. Nu harayang diajar usahadibantuan keur modalna.

Sawelas Kali PindahSabengbatan matak héran, na

iraha jeung kumaha carana HajjahRatna Inten ngurus rumahtangga,pangpangna ngawulaan carogéanu sakitu sibukna.

Teu aya masalah saurna,sagalana bérés, asal urang tetepsadar ulah tepika dijajah ku waktu,tapi urang anu kedah pinter ngaturwaktu, kitu saurna. Hajjah inten ka-

gungan pembantu rumah tangga,tapi pembantuna disakolakeun.Har…kumaha atuh? Bagilir wésaurna, waktuna pembantu sakola,wayahna ibu kudu keresa pakepukngurus rumah tangga, ti enggon,bumi tepi ka dapur. Para pem-bantu dianggap kulawarga sora -ngan, tepika karawinna, rumahtanggana diurus ditalingakeun kuHajjah Inten. Geus disakolakeunogé di bumi angger diatik kanarupa-rupa élmu pangaweruh, teuweleh diaping dibingbing.

Sapanjang rumah tangga Haj-jah Ratna inten sawelas kali ngi -ring carogé pundah-pindah tempatsakuliah Indonesia. Kuma téa ku-lawrga militer. Alhamdulillahpokna, nambah wawasan, luangpangalaman jeung kaweruh, nam-bah baraya deuih saurna téh. SaurCrogena téh

“Dimana bumi dipijak disanalangit dijunjung”, dimana baé ogébumi Alloh.

Ngumbara dimana baé Hajjahinten henteu tumamu, aktipsakumaha biasa pangpangna anuaya tumalina jeung sosial ka-masarakatan. Waktu di Aceh TimurHajjah Inten kungsi jadi anggotaDPRD panganomna, tapi teu lilaaburu dicandak ka Jerman kucaroge na anu tugas diajar.

Dasarna asak atikan ti iburama na kana hirup kumbuh anuloba hal ilmiyah, Hajjah Inten jadimanusa sosial anu pantes ditulad.Tétéla Hajjah inten jeung H. Dr.Tito dina sagala rupa hal sauyu-nan, bener-bener ka cai jadisaleuwi ka darat jadi salebak. Sa-didintenna Hajjah Inten sapertibiasa dines ka Mahesa Medical Cen-ter, bada lohor ngalaksanakeunpancen sosial kamasarakatan, badaAsar kakara urusan rumah tangga,tara aya anu kabolér. Waktu radasalsé dianggo ngatik elmu panga -weruh ka para pembantu kaasupsupir, maparin bimbingan pala-jaran sakola, ngaroris maca AlQur’anna bisi aya anu kaliru, telikpisan. Dina waktu tadarusansasarengan kabéh pangeusi bumitadauran. Kitu lakuning lampahHajjah Ratna Inten sapopoena.**HRS**

Manglé 24548

WALI KOTA Bandung, RidwanKamil, maréntahkeun malarpagawé di lingkungan pem kot

Bandung katut barudak sakola di Ban-dung maraké pakéan adat Sunda sabanpoé Rebo. Nu kudu diheulakeun téhiketna heula. Saban poé Rebo kudumaraké iket. Pakéanana, dipandeuri -keun gé bisa. Lain paréntah atuh pin-garaneunana téh da suratna gémangrupa “himbauan”. Tapi “him-bauan” gé ari jolna ti dunungan mah nyatangtu wé dianggap paréntah, instruksi.Dina poé Rebo munggaran sabada Walikota Bandung ngaluarkeun surat parén-tah téa, Wali Kota Bandung ngayakeunrapat jeung para kepala dinas dilingkungan Pémkot Bandung. Tétélaenya, “himbauan” téh digarugu, diang-gap paréntah. Sabagian gedé kepaladinas nu hadir rapat, tangtu kepaladinas lalaki, maraké iket. Ngan édas,iketna téh rupa-rupa. Teu samodél. Nurupa-rupa teh lain baé modélna, tapi ogéwarnana. Ku lantaran kitu, harita kénéhWali Kota Bandung maréntahkeun kaKepala Dinas Kebudayaan dan Pari-wisata Kota Bandung pikeun ngayakeunsawala enggoning nangtukeun modéliket jeung papakéan adat Sunda liannapakéeun saban poé Rebo téa.

Sawala diayakeun ku Disbudpar poéJumaah, 8 Novémber. Nu jaradi nara-sumber téh para ahli pakéan adat Sundakatut disainer. Nu hadir dina éta sawalagé jalma=jalma nu ngalarti kana pa-pakéan adat Sunda anu mangrupabagian tina kabudayaan Sunda. Teuwudu ramé diskusi téh. Sugri nu hayangsangkan papakéan adat Sunda nu di-paraké ku PNS di lingkungan PemkotBandung jeung barudak sakola téhmere nah, tur luyu jeung ajén-inajén ka-sundaan, ngadadarkeun pamanggihna.

Pamanggih-pamanggih anu geus tangturupa-rupa téa dirumuskeun ku hiji timanu ditangtukeun ku Dibudpar ti antaranu haladir. Harepanana taya lian malarrumusan téh sing jadi cecekelan, bohpikeun PNS di lingkungan Pemkot Ban-dung boh pikeun barudak sakola diBandung. Tétéla teu gampang ngaru-muskeun téh. Sawala deui waé. Ragotdeui waé.

Salah sahiji kacindekan Tim Peru-mus téh nyaéta perkara iket téa.Dicindek keun yén iket nu sawadina di-paraké téh lain iket modél bihari tapiiket modél kiwari. Tangtu wé kudupuguh cecekelanana, da apan ngarannagé pakéan adat Sunda. Nu pentingnamah palasipahna. Ulah méngpar tinapalasipah nu geus maneuh. Tim Peru-mus sapuk yén iket téh kudu nyokokana iket modél “barangbang semplak”.Cindekna, modifikasi tina iket model“barangbang semplak” nu kungsi jadisalah sahiji pakaya pakéan adat Sunda.Pangna kudu modifikasi, pangna hen-teu saujtratna, dumasar kana tinimban-gan yén urang Sunda Kiwari kudukréatif. Tah nya kréativitas téa nu nga-jurung laku malar modél apapakéanSunda bihari téh diropéa deui pikeunpakéeun jaman kiwari. Malar luyu jeungpajamanan kiwari, papakéan adatSunda téh tangtu wé kudu diropéa deui.

Aya pasaratan-pasaratan nu kudujadi cecekelan enggoning gagunakeundeui papakéan adat Sunda dina mangsakiwari téh. Contona iket téa. Iket nu di-paraké ayeuna téh sing ngahudangkareueus kanu makéna. Malah iwal timatak reueus téh kudu matak namba-han wibawa deuih. Da ari matak reueusjeung nambahan wibawa mah pirakuteuing teu daraék maké. Pasaratanlianna nyaéta “fashionable”. Da apan

ayeuna mah papakéan téh kudu matakpantes dipakéna. Kudu luyu jeungkamekaran “fashion”. Ari iket apanbagian tina “fashion” téa. Ku lantarankitu nya tangtu wé kudu “fashionable”.

Ari nu kacida pentingna mahnyaéta, boh iket boh papakéan adatSunda lianna, ana dipaké dina jaman ki-wari téh éstu henteu matak jadi gang-guan kana produktivitas jeungkréativitas nu makéna. Bisi wé modéliket jeung papakéan adat Sunda liannanu diparaké téh hayoh kalah matak ara-teul saawak-awak. Baroroah bisa di-gawé, hayoh kalah matak gégétrét.Anukna jadi matak cul kana gawé.

Iwal ti kitu, dipakéna iket jeung pa-pakéan Sunda lianna téh sing mangrupaléngkah munggaran, enggoning nga -hudang kapanasaran pikeun neuleu-man kabudayaan Sunda neu leuih jero.Da ari iket jeung papakéan adat Sundalianna mah apan ngan sakadar orasé-soris wungkul. Lamun enya-enyahayang nyunda, nya kudu ancrubsagemblengna kana sagara kabudayaanSunda. Sangkan teu kamalangkem.

Ari lebah iket pakéeun barudaksakola, asa teu kudu ieuh ditangtukeunmodélna. Keun wé sina malotékar. Muntéa mah aya niat ngabagi iketna,kawasna leuwih hadé mun barudaksakola mah dibaragi bahan pikeun pi-iketeun. Sugan jeung sugan ngahudangkarancagéan malar barudak bisanyipta keun modél anyar anu payus di-pakéna pikeun Manusa Sunda Kiwari,nu henteu ngan sakadar nyoréang katukang, tapi ogé nyawang ka mangsadatang.***

[email protected] Pengelola Akademi Budaya

Sunda Unpas

DI KIWARI MACA BIHARI (27)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Barangbang Semplak

Manglé 2454 9

Dina hazanah sastra Sunda,ngaran Enas Mabarti teupati dikenal . Meureun pedah

kurang manjang dina ngalahairkeuntulisan-tulisan. Ti barang katingalkaryana taun 1970-an, ukursawatara taun kawilang peroduktip.Sababaraha kali ngumumkeuntulisan dina majalah “Mangle”tempat na munggaran nulis karyabasa Sunda. Saluareun ti eta, leuwihsibuk ku ku kagiatan ngajar jeungngurus organisasi katut politik. Enasmangrupa dosen nu naratas SekolahTinggi Ilmu Sosial dan Ilmu Politik(STISIP), nu kiwari jadi salah sahijifakultas di Universitas Garut(UNIGA). Kungsi jadi anggota DPRDKab.Garut ti Fraksi Partai PersatuanPembangunan (PPP) tahun 1977-1987. Nyangking kalungguhanKetua Tanfidiyah Nahdlatul UlamaGarut (1990-1999), jeung Ketua DPCPartai Kebangkitan Bangsa (PKB)Garut (1998-2003), sarta jadianggota DPRD Kab.Garut ti PKB(1999-2004).

Tapi sababaraha karya tulisna,kawilang aralus. Di antarana“Gunem Rencep Sidem” (2003),ranggeuyan prosa liris nus samemehdibukukeun, kungsi dimuat dinaMajalah “Mangle”. Atuh buku“Elmu Politik keur Warga NU”(2003), kasinugrahan hadiah Lem-baga Basa jeung Sastra Sunda(LBSS), pikeun buku basa Sundawidang elmu pangaweruh.

Ayeuna medal bukuna, novel“Srie Sunarsasi” ti penerbit “KiblatBuku Utama” (2013), nu kungsidimuat mangrupa carita nyambungdina Majalah “Mangle” taun.1974.

Novel “Srie Sunarsasi” nyarita -keun hiji mahasiswi. Dipikacinta kudosenna, Prof.Ahmad Ghazalie, nunandangan panyakit TBC. Srie

narima cinta sang professor du-masar niat hayang boga ajen hirupku cara mere mangpaat keur jalmasejen. Ukur sakeudeungnikah,Prof.Ahmad pupus. Tapikungsi ngawarisku buah hate, orokawewe nu dingaranan Sulistiya nujadi puseur kadeudeuh, satengahinglewang honcewang nyorang kahiru-pan nogencang. Hadena meunangperhatian jeung panangtayungantiIbrahim Musa, babaturananasafakultas.

Make kasangtukang kota Yogya -karta katut kahirupan kampus masapra Gestapu taun 1964-1965, Enasgeus hasil ngungkab jeungngagambar keun kaayaan ka-harenghengan patelakna dua kubu :komunis jeung anti-komunis.Organi sasi ektra universitas, nu jadigantar kakuatan parey politik duakubu, ngaraja di jero kampus. AyaaHimpunan Mahasiswa Islam (HMI),nu keur nandangan muriang panastiris alatan rek dibubarkeun ku Pem-besar Revolusi (Pembesrev) Presi-den Sukarno, lantaran dianggap“kontrev” (kontra revolusi). AyaaCentral Gerakan Mahasiswa Indone-sia (CGMI), andelan Partai KomunisIndonesia(PKI) pikeun ngawasa ma-hasiswa. Aya Gerakan MahasiswaNasional Indonesia (GMNI) “anak”Partai Nasional Indonesia (PNI).Ayaa Pergerakan Mahasiswa IslamIndonesia (PMII), “anak” partaiNahdlatul Ulama (NU). Jeungsajaba na.

Reuweuh-reuweuhperpolitikannasional, nu dikadalian ku PKI,kalawan imeut dijalujur ku Enas,dina leunjeuran carita cinta ka -pendem Ibrahim Musa, anggotaHMI nu jadi Ketua Generasi MudaIslam (Gemuis), ka Srie, randa ngoraanak hiji, nu sarua aktivis mahasiswa

Islam. Srie nu “lindeuk japati”ngalungboyongkeun perasaanIbrahim Musa, nu sakapeung gedehate, sakapeung ilang harepan,satengahing sumanget nyanghareu -pan provokasi PKI.

Pikeun ngayakinkeun suasana,Enas teu asa-asa nataan ngaranjalma-jalma nu harita jeung engke-cukup dipikawanoh ku balarea.Kayaning Ahmad Tirtosudiro, salahsaurang nu ngadegkeun HMI, jen-dral TNI AD taun.1960an, kungsi je-neng Kepala Bulog dina awal OrdeBaru, jeung Rektor Unversitas IslamBandung, taun 1980-an. TawangAlun, nu mili ngadegkeun HMI,Bedu Amang (kekentong HMIYogya taun.1960an, kungsi nyangingKepala Bulog dina awalReformasi),KH Ali Ma’sum, KH Warson Muna -wir (duanana pangasuh pasantrenKrapyak), jsb .

Di sagigireun ngidangkeunkaendahan cinta dua jalma nukauger ku norma agama, novel “SrieSunarsasi” mibanda ajen dokumensajarah istimewa, nu langka kapalireku para sastrawan Sunda sejennadanget ayeuna. Pangpangna nupatali jeung kaayaan nagara nupanas ngagolak balukar uru-araideo logi jeung politik nu ngamuarakana tragedi “G-30-S”, September1965. Alhasil, kakurangan-kakura -ngan di sawang tina jihat tehnisnyarita jeung konflik kajiwaan paratokoh caritana, bisa kataur kupedaran kasangtukang nu unik turtetep meunang perhatian nu teulaas-laas ti jaman ka jaman, lantaranlangsung kaalaman ku Enas nu miluancrub di dinya. Peristiwa “G-30-S”apan terus jadi bukur catur pinuhmisteri, nepi ka kiwari. Ngaliwatan“Srie Sunarsasi” Enas Mabarti geussanggup jadi saksi sajarah.***

“Srie Sunarsasi” Saksi Sajarah Enas Mabarti

Ku H.Usep Romli HM

Rancagé

10 Manglé 2454

Bagian

185

Galibna munwaktu na kapalanjog ka palabu -

han sok padangadeugdeug. Kituna téh,lain ukur ku para pada-gang, tapi ogé kumasarakat sabudeureun -ana. Lain rek barang-beuli lolobana mah, daukur lalajo wé.

Waktu kapal nusakuduna diiluan kuKomaru jaman anjog kaPalabuhan Abnos, PutriBudur nu masih kénéhjadi Komarujaman titi -ron, ogé kabeneranngalanglang ka lebahdinya. Eta pangeran téh,masih kénéh nyekelkakawasaan di éta nagarakalayan dipikacinta kurahayatna.

Kitu téa mah, lantaranparipolahna sopan san-tun. Teu ieuh nembong -keun pasipatan nu bogakakawasaan. Ka nu leutiknyaah ka sasama nga-haregaan, kitu deui kasaluhureun tetep hormat

pisan. Kalakuanana kituogé, lantaran éta putritéh kudu satékah polahnyumput buni di nucaang, nyingkahankacurigaan jeungkangewa pihak séjén.

Waktu PangeranKomaru jaman mamali-han aya di palabuhan,tangtu wé pada ngajénan.Atuh, nahkoda gé gan-cang nyampeurkeunkalayan sasalaman hor-mat pisan. Saterusna, étaraja téh nanyakeunbabawaan éta kapal. Pokwéh nangkoda téh nataanbarang-barang dagangannu aya dina kapalna.

Putri Budur kataji kubuah zaetun. Lantaran dinagrina mah arang pisan.Kabeneran deuih étabuah téh kacida hadéajénna, atuh tangtu wégampang mun rék dijualdeui gé.

Nangkoda nétélakeun,cenah, éta zaétun téhboga na tukang kebon numiskin. Ngan, teu milu

da tinggaleun. Ngadéngécaritaan nangkoda kitu,Putri Budur karunyaeun.Atuh, meulina éta baranggé leuwih mahal batansasari.

Buah zaetun diangkutka istana, ditempatkeundi gudang nu biasa. Culwéh diantep lantaran canwaktuna dipaké. Malah,harita mah acan ka-pariksa bener-bener.

Peutingna PutriBudur nitah pagawékaraton nyokot waluh nueusina zaétun téa. Teukungsi lila nu dititah téhgeus datang, mawa waluhsasirah. Tutupna dibuka,terus zaetun nu aya di-jerona téh dikaluarkeun.

Teu kira-kira PutriBudur ngajenghokna.Lantaran, horéng zaétun -na mah ngan saeutikpisan ukur bagianluhurna. Tangtu wéhareugeueun téh lainhanjelu, tapi bungahkacida, lantaran manggi-han emas nu sakitulobana.

Putri Budur nitahpagawé na nyokot deui

waluh séjénna. Barangdibuka, kitu deui baé.Eusina, bener-beneremas nu ajénna kacidahadéna. Sanggeus kitumah, waluh téh sinadipindahkeun kabéh kakamarna.

Taya nu apaleun kanaéta kajadian téh, lantaranukur kasaksian ku PutriBudur jeung HayatiNufus. Nu séjén mah,pagawé na, teu nyangkaaya kajadian kitu. Matak,kaahéng kitu téh teu singngaguyurkeun.

Nu matak leuwihhélok, tina salah sahijiwaluh aya permata boga -na Putri Budur téa. Kulantaran kitu, éta putritéh beuki panasaran,hayang apal tumalina étatukang kebon jeung per-mata téa. Ceuk pikirna,mun dirina bisa tepungjeung tukang kebon,tangtu we bakal manggi-han laratan salakina,copélna bisa manggihanbéja-béjana waé mah.

Léng Putri Budurngahuleng. Mikirancarana sangkan dirina

Manglé 2454 11

bisa papanggih jeungtukang kebon téa.Sanggeus lila mikir,kakara kapanggih akalna.Inyana, gancang nitahnahkoda datang ka étatempat.

Nu diondang atohjeung bingung. Atohna,apan diondang gegedén.Ari bingung, asa teuboga urusan séjén lian tijual beuli.

“Aya pikeresaeunnaon, sun?” ceuknangkoda.

“Lain, tadi mah kulatéh poho teu kungsinaléngténg pihak nungajual zaétun téa?”

“Kumaha kitu, gam-paran? Naha éta zaétuntéh ajénna awon?”

“Lain perkara éta.Keun waé rék hadé rékgoréng gé da geusdibeuli,” pokna.

Saterusna, PutriBudur cacarita, tangtu weukur nyieun dongéng.Cenah, sawatara taun katukang, éta tukang kebontéh boga hutang ka diri -na. Ku kituna, wayahnacenah pangnyokotkeunéta tukang kebon sinanyanghareup kamanéhna.

“Duh, apan tebih,sun!”

“Enya apal kula gé.Ngan, mending nurutatawa mending kabéhbarang-barang nu geusditurunkeun di palabu -han disita jadi milik na-gara?” ceuk Putri Budurngancam.

Ngarasa taya piliheun,nangkoda nyanggupan.

Peuting ka-217

Poé éta kénéh,nangkoda kapal balikmarentahkeun awakkapal na, Maksunda tayalian ti nyumponanparentah raja sangkan

éta kapal balik deui kanagri Majusi tempatKomaru jaman téa. Nyadaék teu daék, kapaksawé kudu nurut kanasagala paréntah raja.

Kapal nyuruwuk, balikdeui kana urut tiheula.Teu kacatur di jalanna,kocap geus nepi deui wéka palabuhan pangindi-tan. Warga heran sababtara-tara ti sasari, kapalnu kakara ninggalkeunéta tempat ngurunyungdeui.

Awak kapal dibare -ngan ku nangkoda,gagancangan muru sisibasisir. Hanjat ka darat,nu saterusna muru kebonnu diséwa Komarujaman.Teu tata pasini deui,nangkoda langsung gege-dor kana panto gerbangkebon.

Ngadéngé nu gegedorsarta sora récok,

Komaru jaman gancangkaluar. Bréh nangkodadiiringkeun ku para awakkapal. Teu loba carita,Komarujaman téhdicerek, dibakutet,dibaban dan. Saterusna,diiringkeun sina murukapal.

Sanggeus kapalngangkleung di lautan,Komarujaman kakaratuma nya ka nangkoda.Nu ditanya ngajawabsatarabas na. Cenah, di-rina téh ngemban parén-tah ti Raja Abnos pikeunnangkep Komarujaman.Pangna kitu, lantran bo -ngan éta tukang kebontéh lanca-linci luncat mu-lang hentu tigin kanajangji ka raja. Cindekna,teu mayar hutang luyujeung waktu nu geus di-jangjikeun.

Ngadéngé caritaankitu, Komarujaman

sajongjongan mahngahuleng. Ceuk pikirna,teu sing ngarasa bogahutang, dalah patepungjeung raja Abnos gé cankungsi. Teg wéh, tangtuéta nagkoda ukur akon-akon, atawa memang bisajadi salah sasaran.

Najan keukeuh teu ru-masa, Komarujaman teubisa majar kumaha. Ka-paksa nurut kana ka-hayang nangkoda, damun ngalawan gé moalaya hartina. Ceukpikirna, rék nuturkeunnasibna wé, kumahabehna!

Sanggeus sababarapoé ngangkleung di laut,kapal anjog ka dermaga.Nakhoda jeung awakkapal séjénna tarurun.Langsung muru istana,ngadeuheus ka raja. ***

(Hanca)

12 Manglé 2454

Gan Sole jeung AomUsman di imahnakeur cuhcih mariksa

koki jeung babu. Nu di-pariksa lantaran sieun, dua-nana ge nyarita satarabasna,malah bab Belem sok ngen-dong oge dicaritakeun sa-jalantrahna, teu aya nudikemu, kitu deui bab Lilisnu sok pulang-anting. Hen-teu soteh dicarita keunomong-omonganana, da tarangabarandungan.

Ngahaok tanding Rahwana,Usman ambek ka babu jeungka koki, dicarekan ditutunjuk, malah arek disepak, disebutkeun jelema gelosaling kuh, teu baroga panarima, nu asih dipulang sengit.

Hate Usman ngalentabpanas, mun jongok mah Belem boadipeuncit, tah geuning buktina kitu, lalaki purah cidra, manehna mah lalacuranngaler ngidul, tapi mun bojo midua, bet manehna panas peurih.

Bet hayang meunang sora -ngan, na dimana ayana menak adil, awak nganyenyeri batur, tapi lamun sorangan, meunang nyeri tuluy motaharek ngamuk, poho ka hate nu lian, ku manehna dinyenyeri.

Bawaning ambek, Usmannepika ngagidir, beungeutnageuneuk kawas beusi atahbeuleum. Dina keur ambekkitu, babu jeung koki ditun-dung dititah arindit sapa-jodogan, jaba dicarekan laklakdasar. Ku Gan Sole diberetemah wadi, yen eta teh salah,sabab lamun eta dua badegangencar, mana teuingsungutna matak tul-tel rasiahnyebar sakota Bandung,mending diandeg, dirurubaambeh balem sungutna, darasiah geus bitu mah saha nuwirang. Tapi wawadi kitu teudidenge, da keur ambek tea.

Jaba ti kitu dibere jalan,supaya geuwat unjukan hare-wos ka patih jeung sakaut,mambrih nu minggat gancangdisusul ku pulisi, ulah kuurang sorangan. Saperkarameungpeung acan jauh,

kadua na memang kawajibanitu, katiluna lamun disusul kuurang tangtu itu ngalawan;temahna lamun teu duananaboa salah saurang aya nutiwas.

Tapi jalan anu sakitualusna teh weleh teu didenge,babakuna bawaning ku keurambek tea. Ari dirarah ririh kuGan Sole kalah nyabut sekin,arek newek bari ngaluarkeunucap nu sakitu garihalna.Usman teh estuning geuspoho ditemah wadi, geuskalap.

Gan Sole mah da teu niatgelut, malah boga rasa nu asihdipulang sengit, gejlig turun,leos indit clak kana per, giritikka kabupaten ninggalkeun nukalap. Sadatang-datang geblusbae ka kamar patih estuningtorojog tanpa larapan nepi kamatak kaget.

Sanggeus rebu-rebusasadu, laksa-laksa tamada –ma’lum ngadeuheus ka menakjaman baheula—kakara para -lak nyarita, ditetek ti barangnenjo Belem sabendi jeungSari di lebah warung Haji Asiktea nepi ka harita jongok dihareupeun patih.

Patih olohok bengong asajaman budak dipangdongeng -keun carita kahot; cacakanlamun teu apal mah ka GanSole yen jelema bener, lem-

peng, atawa bohong, patih tehboa ambek da asa di-heureuyan.

Lamun patih jaman kiwarimah jaman geus aya telepontangtu ceg kana telepon, kri -ning ka pulisi, krining kakawadanaan atawa kacamatannu bakal kaliwatan ku Belem,supaya bendi eta, ditumpakanku eta dipegat, jelemana di -tahan. Beres eta tuluy lapor kabupati. Tapi patih kabaheula -an mah da sejen deui jaman -na, teu kitu.

Jung patih nangtung,kikirab memeres lamban jastuluy bendo, pohara rinehna,pok ngomong: “Urang unju -kan ka pangawulaan. Hayu tu-turkeun kula!”

Gandeuang patih ti kantornuju ka gedong leumpang anusenang tea diiringkeun ku GanSole. Upama patih ngalieuk,poyongkod Gan Sole moyong -kod, lamun diajak ngomong,nembalanana teh bari ongko-ongkoan cara nu keur mulungjambu, masing teu bari dilieukoge. Ari jol ka gedong, teu caraayeuna, tok-tok-blus, alamharita mah, wah, patih rekmanggihan bupati teh kududiunjukkeun heula ku jaga -lawang, ngadago heula disaur,tuluy abus bari payakah-peyekeh payangkad-poyong -kod. Ah, cindekna, ti jol nepi

{ 23 }Ku M.A. Salmun

Manglé 2454 13

ka jung balik deui teh diitungjeung gengsor jueung acong-aconganana Ki Kumetir, moalkurang, leuwih mah pasti, tisajam, padahal jejerna caritamah saeutik pisan: “BojoUsman dibawa kabur kuBelem, disusul ku salakina.Bisi silih paehan, hade geuwatpiheulaan ku pulisi.”

Putusan bupati, geuwatbejaan sakaut sina ngaturjalma nu baris ngudag, lamunperlu parat ka Bogor, aras-urusna jeung para pangang-gung di Cianjur, Sukabumijeung Bogor, masrahkeun kapatih.

Heuleut dua jam ti harita,burudul ti dayeuh Bandungaleutan tujuh pulisi diluluguanku Agen Vleer –dumeh nu rekditangkepna Walanda–kaluarti kota Bandung ka kulonkeun.

Anggeus dua jam sotehsakitanana mata-mata nu di-pasang ku sakaut hareupeunimah Sari tea, hariweusweuspupulih, yen Usman katenjokaluar ti istal nungtun kudameunang nyelaan, dangdankaprajuritan. Harita teh nu dikabupaten mah keur patinggalengsor, pating aracongkeneh, malah usman mah boageus liwat Cimahi, Gan Solekakara nepi kana “tigasdawuh”.

Sakaut barang nampa la-poran ti mata-mata oge gan-cang bae tatan-tatan nyalukanVleer sina mawa baturgenepan newak Usman nutetela boga niat nadasa Belematawa Sari atawa ... duanana,tuluy Vleer sina nangkepBelem katut Sari. Kudu di -susul tepuis da sapoe ieu mahmoal leuwih jauh ti Cianjurlepasna. Lantaran geussayaga, jol mantri kabupatenngemban timbalan pangawu-laan teh atuh kari beretek, teumake ukay-ukey ucang-acongdeui.

Ari ka Batawi teh jamanharita mah biasana jalanna kaCianjur-Sukabumi moroBogor. Ti Bogor kana karetaapi. Jalan ngaliwatan kaPurwa karta-Cikampek jarangpisan diparake, saperkaradumeh antara Dangdan jeungPalered kasohor weritna, be-jana maungna teu sieuneun

megatan jalan, turug-turugantara Kedung Gede jeungBakasih sok rea begal, jadilamun teu perlu-perlu teuingmah milih jalan teh kajeuhngngulon batan ngaler.

Salahna Sari dina petanamingat, dumeh teu sabarjeung make itungan, kajurungku geumpeur jeung sieunkatewak ku pulisi bab racun SiAbdullah tea.

Ari nu matak disebut teusabar, dumeh teu ngadagoheula giliran Usman meutingdi nu kolot. Upama minggatnatea Jumaah isuk-isuk,pangterehna oge katangentangtu malem Senen atawaAhad pasosore, meureunharita teh geus aya di Bogor.

Ari salahna itungan,saperkara santek teuingantara na, ngan ukur ganjorpecat sawed ka lilngsir ngulon,kira-kira 5 jam, ka dua teu ngi-tung kakuatan kuta. Kuda nutas dipake ti Limbangansubuh-subuh ka Bandung, rekdisapoekeun ka Cianjur? Bisanepi ka Ciranjang asar bae gegeus kaitung luar biasagancang na, narik bendi di -muatan ku tiluaan jabababawaan. Boga jangka 5 jamteh disusul ku kuda tunggangmah lebah Cipatat ge moal teukaudag.

Salahna nu katilu, nupanggede-gedena salah, nyaeta ka badega dadaku rek kaUjungberung tumpak bendi

Belem. Padahal lamun tiimahna tumpak per sewaannyorangan bari angkaribungku kikirim cara nu enya rekdeuheus ka klot, tangtu leuwihrikip. Ti imah per sewaan tehsiga enya rek ka Ujungberung,badega ge nenjoeun, malahAgan –upamana tea—diraksu -kan sutra hejo, sinjang gambirsaketi, cenah meureunpipokkeun bagega teh lamuntea aya papariksaan. Geus teukatarenjoeun ku babu koki,benerna mah, perpengkolkeun ka tempat meu-nang badami jeung Belem. Didieu ganti pakean, umpamanabaju beureum samping lereskakara indit bareng. Di imahteu naon-naon ninggalkeunsurat ge siga nu heueuhngadadak indit ka Ujung-berung, kumaha bae dakunamah, sebutkeuin moal lila,pageto ge balik deui, upama -na, Lamun seug ku Sari diaturkitu, najuan kabeurang-nangkeun aya Gan Sole mapayka badega oge, pasti samar,sabab ceuk badega teh: “Agantunggang per ka Ujungberung,diraksukan disinjang gambirsaketi.”

Meureun ceuk Sole teh:“Euh kasalahan atuh aing teh,nu sabendi jeung Belem lebahwarung Haji Asik , dibajubeureum disamping lerengmah anu sakarupa sarimbagbae eta mah, lain Sari alo aing. Aing salah pangdeuleu, geus

kolot ieuh.”Tapi, nya eta atuh, da Sari

mah lain Lilis bajinganawewena atawa Piah buayabikangna. Teu timu jalandemit teh, da ongkoh mingatsoteh awahing ku teu kuatnahan gegebegan rasa,boloampar inget kana aturanberes.

Liwat Tagogapu rekngaberik tanjakan GunungMasigit, jalan teh poharataringgul na, baru pacampurjeung gamping, matak jlag-jlig-jlug cara dibeubeut-beubeutkeun. Biasana lebahdinya, sakabeh tutumpakan,jaba ti kuta, nu tarumpaknasok tarurun kudana ditungtunnepi ka liwat pasir gamping nueta; geus nepi ka nu ratakakara tarumpak deui. TapiAnom Belem jeung Agan Sari,sangkilang dibarejaan kumandor jalan jeung kuli-kuli,aranjeucleu bae dina bendi,anu sakitu unggal ngagejlugngarekek teh sora as anu re -ngat keur tadi isuk tea.

Dina hiji saat: “kerekek ...beletok ... as potong dua,bendi ngarampayak; uyuhankudana teu kabur ge, bubuhanArtayim tanginas nyekel eles,hadena keur teu lumpat, ukurleumpang salengkah-salengkahm, nu tarumpaknapating gulinting, untung teudadas teu bundas, teu ramedteu bared ge.

(hanca)

Pidawuh Alloh SWT dina suratAr-Rum ayat 41, jentre pisannu unina kieu : “Doharul

fasadu fil barri wal bahri bimaakasabat aidinnas liyudiqohummaba’dolladziina ‘amilu la’alakumyarzi’un.” Nu hartosna, “Karuksakandi darat jeung di laut téh alatan pa-gawéan/leungeun manusa, anubalukarna Allah nibankeun kamaranéhna (wawales tina) sabagéananu ku maranéhna dilampahkeun,supaya maranéhna babalik pikir.”

Ku kituna bisa dipastikeun, yenupama jalma geus loba nu resep mi-gawé kasuksakan, hartina kahirupaneta jalma téh kudu siap-siap bakaltepung bahla, meunang mamala. Mi-gawe karuksakan hartina, memangdirina teu narima kana hukum alamatawa sunnatullah. Ku kituna, upamakiwari timbul ayana banjir, urug, lini,angin topan, peperangan, panyakitAIDS, kadoliman, kama’siatan,lobana nu ngaligeuh jeung sajabana,dina seuseuhanana mah nya manusakénéh nu nyieunna. Nepi ka manusadi alam kiwari geus jiga nu ngarasabetah dina kama’siatan. Teu sieun kupanyiksa Allah, nu padahal kitu petatéh bakal moékan hirup manusia didunya kénéh. Geus puguh upama dialam kubur mah, teu bisa nanawardeui, teu aya lawang tobat deui.Hartina, jalma nu di dunya lampah -na ma’siat, nya di alam kuburna ogebakal poék mongkléng, tur moal ayanu nulungan.

Ku margi kitu, mungpung urangmasih aya jeung hirup di alam dunyakénéh, hayu urang babalik pikir,istigfar, nyuhunkeun pangampuraalias tobat ka Gusti Alloh. RasulullahSAW kantos ngémutan dina pi-

dawuhna, nu hartosna : “Prak geuragura-giru migawé amal soléh sababbaris kajadian rupa rupa fitnah (isu-isu) lir gumplukan-gumplukan peu -ting nu poék mongkléng buta rajin.Dina éta jaman, jalma-jalma téhisuk-isuk ariman, ari soréna kalapir.Maranéhna teh sok ngajual agamanaku harta bandana (kaméwahandunya).” HR. Muslim

Margi kitu, upama jaman kiwarijalma loba nu ati mungkir beungeutnyanghareup, loba nu palsu, sigahadé tapi henteu, siga nyaah tapihenteu, écés éta téh balukar lobajalma nu teu panceg dina kaimanan.Balukarna deuih, loba jalma nu gindipikir belang bayah. Jalma-jalma lobanu goreng haté, nu dolim, julig,dengki jeung sajabana. Komo upamahiji jalma geus asup kana dunya nukotor mah, rék kukumaha ogé, nujadi beubeunanganana ogé matakkotor alias kiruh. Upama waé dinajaman kiwari, mangsana marang-gung deui kana politik, geuning lobapisan jalma nu nyarumput tinakajuju ran. Wani ngajak kahadéan turngajeblagkeun balihona sangkanhayang kapilih jadi wakil rayat. Pada-hal dirina sorangan kabeuleum kukama’siatan. Geus puguh ari ukuranlahir mah. Apan loba nu dijeblag -keun teh lain poto aslina, tapi geusmeunang ngaropea ku komputer.Atuh nu tadina hideung oge bisa di-bodasan. Tah, komo deui nu bisadisumput keun kayaning kajujuran.Sok padahal jalma jujur, keur cekelanmuslim mah, sawadina jadi cekalanhirupna. Man saliman muslimunnamillisanihi wayadihi. Jalma muslimtéh, nyaéta jalma nu salamet tinalisanna jeung tina laku lampahna. Nu

jadi patarosan, naha atuh kiwarijalma resep ngabarohong alias nga-jauhan pasipatan jujur? Manggaurang titenan pidawuh Kangjeng Ra-sulullah SAW nu negeskeun, yénlampah ma’siat, lampah nu jauh tinakaimanan, bakal kacida rugina.Malah nu aya bakal tidungsuktidungdung néangan jalan nu teujelas. Maranéhna disasabkeun tinajalan rido Allah, alatan hirupnalamo kot. Jalmana palinter, tapi pin-ter akal koja, pinter dina kagorénganatawa kajahatan. Kitu deui pidawuhRosul: “Bakal datang hiji jaman dimana jelema-jelema teu kuat deuinéangan pakasaban kahirupannanaanging ku jalan ma’siat nepi ka waktuharita jalma-jalma pada barohongjeung murtad. Mangka di manakaayaan geus kitu aranjeun kudu hij -rah.” Sahabat naros : “Kedah Hijrahka mana abdi téh?” Waler Nabi:“Kudu Hijrah ka Allah kana al-Qur’an jeung kana Hadits.” (HR. Ad-Dhilamy)

Kiwari geus loga jalma nu teujujur. Majarkeun lamun teu jujurmah, moal bisa hirup. Lamun pa-nyakit manusa geus kitu, jelaskadoliman, panipuan bakal aya dimana-mana. Aya pamingpin lainningalikeun tauladan, malah ningali -keun kabingungan, hubbud dunya,parebut jabatan, teu bisa tegas mananu haram, mana nu halal. Alatan kitutimbul kariceuwan dina sagalawidang. Geus puguh ari amanahmah, nu ngampar-ngampar nunabeuh-nabeuh, nu beunghar beukibeunghar nu seubeuh beuki seubeuh.Sedeng ari nu miskin beukidikekeyek ku nu beunghar. Ku margikitu pantes kiamat sugro, adzab Allah

Mahing Kufur, Nyegah Mamala Ku Rihhadatul Aisy

14 Manglé 2454

bakal ditibankeun ka manusa.Lobana kajadian, lini, banjir atawahalodo (hésé cai) jeung musibah dimana-mana, hakékatna mah adzab tiAllah, syaréatna lantaran manusaresep nyieun karuksakan.

Lantaran kitu dina nyegahdatangna kadoliman, kamaksiatan,jeung sajabana teu aya deui jalaniwal urang uihkeun deui sagala pasu-alan kana papagon agama Allah.“Dzaalikal kitabu la roiba fihi huddallil muttaqin.” Papagon nu teu ayakaraguan deui pikeun tujuan hirupmanusa takwa nu miseja bagja didunya, bagja di ahérat. Allahngadawuhan dina surat Ar-Rum ayat44 : “Man kafaro fa’alaihi kufruhu,waman ‘amila sooliha falima anfu -sihim yamhadun.” Hartosan : Singsaha nu kupur, nya kupurna téh jadimamala pikeun dirina, jeung singsaha anu ngalampahkeun amalsoléh, nya maranéhna sasadiaanpikeun dirina (di sawarga).

Témbrés kacida, yen saha jalmanu bakal rugi jeung saha jalma nubakal untung. Nyaeta nu kufur bakalsasar, nu soleh bakal salamet. Komodeui engke di aherat mah, moal ayahiji perkara nu bakal pahili. Jelasjeung narembongan tur nyaraksian,mana jalma kufur, mana jalma soléh.

Upama Geus Datang KiamatPidawuh Kangjeng Nabi Muham-

mad SAW : Satemenna di antara cirikiamat: Dimana geus leungit élmu,maneuhnana kabodoan, diinumnaarak jeung maceuhna perjinahan.(HR Bukhari ti Anas bin Malik)

Inna min asyr’athi ti antara ciri-ciriass’a’ati kaancuran atawa kiamat nahiji komunitas atawa masarakat.Ayyurfa’a al’ilmu dileungit keunanaélmu, wa yatsbuta aljahlu sartadipikarespna kabodoan, wa yutsrobujeung diarinumna alkhomru arakjeung sabangsana, wa yadhharu azzi -na jeung mahabuna perjinahan.

Aya dua rupa Ass’a’ah (kiamat) :Kahiji, Kiamat Astronomis nyaétaancurna bumi jeung planét-planétséjénna anu dijelaskeun dinasababarha surat dina Al Quran anusok disebut Qiyamah Kubro. Waktuancurna alam jagat teu aya anudibéré nyaho kaabus Kangjeng NabiSAW katut Malaikat Jibril saperti

dina gunem catur dina haditsBukhori sarta dikuatan ku katera -ngan surat Luqman ayat pamungkas.Kadua, Kiamat Sosial nyaéta ancurnatatanan hubungan papada manusa.Diantara ciri kiamat Sosiologis:Kahiji, lamun hamba sahayangalahirkeun dunungan. Hamba sa-haya téh jalma anu gawé tihothat tapiteu meunang pangajén ti jalma anudibélaanana. Indung anu tihothatngurus anu jadi anak malah anu jadianakna teu maliré ka nu jadi kolotna,murid campelak ka nu jadi guru,guru ngarogahala anu jadi murid, ra-hayat teu hormat ka pamingpin lan-taran pamingpin gawéna nipurahayat. Sakabéhna ngagambarkeunkiamat (ancurna) komunikasitatanan sosial. Kadua, Lamun budakangon paluhur-luhur ngawangungedong. Honor budak angon mahlamun jujur moal mungkin bisangawangun gedong sigrong. Anungaraning si Gayus pagawé nagrigolo ngan handap tapi gajihna alah-batan pengusaha lantaran manéhnamah diangon ku dunungananasangkan maling. Lamun pajakdimani pulasi ku pagawéna nagarabakal bangkrut. Katilu. lamun hijiurusan dipasrahkeun ka nu lainahlina nya dagoan assa’ah (kaancu-ran). Kiwari loba pamingpin kajaja -dén lain boga élmu jeung ahlak tapilantaran boga duit keur nyogok anumilih. Nalika jadi pamingpin téh lainngabéla rahayat tapi bibilintik jeungngagalaksak duit nagara kumahasangkan modalna balik deui anu jadikorbanna mah geus tangtu rahayatanu leutik.

Ku kituna, hayu urang riksa dirideui. Boa-boa urang mikaresep jalansalah. Boa-boa urang resep ninggal -keun ibadah. Upama nu dipakaresepteh saperti kitu, mangka kudugacang-gancang tobat. Lantaran kia-mat bakal ngadeukeutan. Sakumahadijéntrékeun, yen ciri kiamatSosisolo gis téh diantarana: a.Leungit na élmu. Anu dimaksud lainsagawayah élmu tapi élmu anupakait jeung kaimanan. Bisa jadileungit na élmu dilantarankeun kumaraotna para ulama sarta hésénéangan gantina, malahan paraputra ulamana ogé geus teukabitaeun jadi ulama sarta barudak

awéwéna ogé dikawinkeunanana lainka calon ulama tapi leuwih milih sar-jana jeung pangusaha lain santricalon ulama. Paguron luhur tiap taunngawisuda pikeun ngalahirkeun sar-jana, tapi sarjana anu ulama héséditéanganana. Tetempoan kaummuslimin geus kapangaruhan ku bu-daya hédonestik anu nganggap hartajeung matéri jadi udagan saperti dinaiklan susu ‘yang penting énak.Lamun anu ngamumulé nuraniummat geus leungit bakal kajadiansaperti langlayangan pegat bakalhiber kumaha arah angin, ummatbakal lésot jeung ruksak jadi korbanpolitik , dialeut-aleut sina démodiadu jeung aparat keamanan pada-hal mah sagala pasualan bisadiréngsékeun ku cara dialog. b.Maneuh na kabodoan. Ciri kiamatanu kadua dina hadits di luhur akibattina leungitna sumanget nyiar élmunya anu bakal mucunghul téh ma-neuhna kabodoan jalma geus teuresep diajar tapi resepna téh hiburan,seuseurian, nongton jeung bala -kécrakan. Lamun milih pamingpinpasti milih anu deukeutna kana eusibeuteung geus teu maliré kana kuali -tas laku lampah jeung ahlak, yangpenting énak. Ciri kiamat anu kaduamah lamun otak geus teu jalanpikeun ngaréngsékeun pasualanummat tapi ngaréngsékeunana kupendekatan sospol alias sosorongotjeung popolotot nu ngakibatkeunancur na duduluran. c. Mahabunakhomr, narkoba, ngaradu jeungngarinum arak. Kitu deui mahabunaperjinahan. Geus teu éra deui kanakama’siatan perjinahan. Saperti ki-wari, geuningan manusa téh geus teubaroga jati diri deui, malah kadieu-nakeun mah, beuki kalimpudan kualpukahna globalisasi. Teu éra deuinémbong-némbong orat, mahabunasilih fitnah, teu era ngalakukeun ko-rupsi, jeung sajabana. Tah, nu karitubalukar leungitna kaimanan. Upamajalma geus teu sieun deui kana ma-mala, lantaran resep migawé ka-ma’siatan, mangka Alloh bakalgancang nibankeun bebendonna.Walakin kaddabu faahodna bimaakaanu yaqsibuun. Robbana dho-lamna anfusana wailam taghfirlanawatarhamna lanakunanna minalkhosirin. Amin ya Robbal ‘alamin.***

Manglé 2454 15

WakafPatarosan:Sakumaha seueur kajantenan,

yen di urang seueur taneuh wakafdugi ka aya nu dimasalahkeun. Kale-bet aya nu ngawakafkeun masjid,tapi tos puluhan taun, eta taneuhwakaf jadi pacogregan. Nu jadipatarosan, naon nu jadi masalahnasareng nu leresna kumaha ari badewakaf teh? Hatur nuhun sateu -acanna.

Wassalam,

Pa Susanto ti Ciumbuleuit Bandung

Waleran:Sami-sami hatur nuhun.

Perkawis wakaf numutkeun basaasalna tina basa Arab, hartosnanahan, eureun, atawa cicing.Sedengkeun hartina numutkeun isti-lah dina hukum Islam nyaetangeureunkeun atawa mungkas hakmilik hiji jalma kana mangrupabarang saperti tanah pikeundisodakoh keun manfaatna. Hartilianna, wakaf nyaeta ngamang-faatkeun hiji barang anu dipimilik kuhiji jalma bari dipasrahkan ka jalmalianna (baturna) kalawan jangkawaktu anu tangtu atawa salilana.Dina ajaran Islam, wakaf mangrupaibadah anu hukumna “sunat”.Tujuan na pikeun ngadeukeutkeundiri (taqarruban) ka Gusti Alloh Swt.

Anapon anu jadi katangtuanananyaeta sakumaha anu ditegeskeundina rukun jeung syarat wakaf.Rukun wakaf aya opat, nyaeta:Kahiji, aya jalma anu ngawakafkeun(wakif); Kadua, aya barang anu di-wakafkeun (mauquf); Katilu, ayajalma anu narima eta wakaf (mauquf‘alaih); Kaopat, kudu aya akad atawaikrar ti jalma anu ngawakafkeun

(shigah). Sedengkeun anu jadisyarat-syaratna nyaeta:

1. Syarat-syarat jalma anungawakafkeun: Kahiji, ngaboga -an kana eta barang (harta)sagemlengna; Kadua, akalnasehat; Katilu, baligh (dewasaatawa cukup umur); Kaopat,nganyahokeun kana hukum turmampuh milampahna sacarahukum.

2. Syarat-syarat barang anu di-wakafkeun: Kahiji, kudu anu bisadiala manfaatna dina jangka waktuanu lila; Kadua, jeulas tur tegesjalma anu narimana; Katilu, diguna -keun kalawan ngabogaan tujuananu hade luyu jeung ajaran-ajaranIslam; Kaopat, ditangtukeun jinisbarangna, bentuk na, tempatna,jeung lobana. Kalima, barang anudiwakafkeun kudu sagemlengnadipimilik ku jalma anu ngawakaf -keunna.

3. Syarat-syarat jalma anu narimawakaf kudu ngabogaan akalsehat;, baligh (dewasa atawacukup umur) tur nganyahokeunkana hukum tur mampuhmilampah na sacara hukum.

4. Syarat shigah, nyaeta kudu jelasjeung tegas. Wakaf bisa sahsaupama aya ijab qabul ti jalmaanu ngawakafkeun jeung jalmaanu narimana kalayan aya saksianu wijaksana.

Dumasar kana rukun jeungsyarat wakaf di luhur, mangkakatangtuan-katangtuan ngawengku:Kahiji, wakaf henteu bisa di hakmilik ku hiji jalma, dijual-belikeun,dihibahkeun, atawa diwariskeun.Kadua, Barang anu diwakafkeun tosteu bisa dihak milik deui ku jalmaanu ngawakafkeuna. Katilu, kudungabogaan tujuan anu pasti, luyu

jeung ajaran Islam. Kaopat, hartaanu diwakafkeun bisa dikuasakeunka para pangawas anu ngabogaanhak pikeun miara eta harta wkaf.Kalima, harta wakaf bisa mangrupatanah atawa barang sejena anu bisadimanfaatkeun dina waktu anu lila,henteu leungit manfaatna ku sakalidigunakeun.

Salajengna perkawis asal usulayana wakaf, para ahli hukum Islamnyebatkeun yen wakaf anu sifatnakaagamaan dimimitian (munggaran)ku ngawangun wangunan Ka’bah diMekah anu ngarupakeun tempatibadah wiwitan. Anu ngawangunanyaeta sakabeh umat manusa anuayadi sabudeureunna. Hal ieu du-masar kana pidawuh Alloh dina al-Quran: “Saestuna imah anu mimitidiwangun pikeun tempat ibadahumat manusa, nyaeta Baitulloh anuaya di Mekkah, kalayan diberkahi turjadi pituduh pikeun sakabeh umatmanusa” (QS. Ali Imron: 96).

Malih disebatkeun dina sajarah,yen di abad-abad kajayaan umatIslam, wakaf dijadikeun salasahiji ti-hang kakuatan ekonomi umat Islam.Sajabi ti kitu, di abad-abad kajayaanumat Islam oge, harta wakaf teuwungkul digunakeun pikeunngahirupan jalma-jalma fakirmiskin, tapi bisa dijadikeun modalpikeun nanjeurkeun lembaga-lem-baga atikan, ngawangun perpustaka -an, ngagajih para guru sareng parastafnya, beasiswa pikeun siswa jeungmahasiswa anu milari elmu panga -weruh. Rumah sakit di tiap kota di-wangun, sagala rupi biayaoperasionalnya dibiayaan ku danawakaf. Ti ngawitan gajih dokter, paraperawat, dugi ka obat-obatan ayadina tanggungan dana wakaf, nepi karahayat leutik oge bisa narimalayanan kasehatan anu maksimaljeung haratis***

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

16 Manglé 2454

Sunda nguni-ang tandangdi pakalan-

gan. Sunda kiwaritanghi na jati diri.Kumaha larapjeung prakna. Nya,urang ayeuna nukudu harudangtandang makalan-gan. Ulah deuk cu-lika, ulah deukn g a g u n a s i k a .Malah mandar,urang kudu napakdina tatapakan.Nyaah ka lingkun-gan nya nyaah kadiri. Nyaah jeungwanoh ka lingkun-gan, tangtu nyaahjeung wanoh ka diriurangna sorangan.Ku kituna, dina ga -rapan masing-masing sareun deuk saigel, rukungawe babarengan, ulah sok pakia-kia.Urang kudu nyaah ka diri, deukeutjeung diri nyaah ka sasama. Hirup kuduparok jeung aturan. Sing saha wae anungagunasika jeung ngaruksak lingkung -an, eta jalma bakal kawalat. Nya bakalruksak jeung dirina.

Éta hal ditetelakeun ku Ketua UmumPB. Paguyuban Pasundan Prof. Dr. HM.Didi Turmudzi, M.Si., dina orasina gelaraksi budaya ‘Ngaraksa ngariksa GunungPadang’ kamari ieu di Kabupaten Cian-jur. Dina eta gelar aksi budaya, hadirdina acara H. Nanang Masoem, Acil-Sam-Jaka Bimbo, Abah Ruskawan(Ketua Cabang Paguyuban Pasundan),tokoh kasepuhan kabuyutan Sunda,Sundawani Wirabuana, Paku Pajajaran,sarta rebuan mahasiswa jeung simpti-san Urang Sunda. Gelarna eta acara, es-tuning nyacapkeun jeung maheutkeunbabarengan sakumna urang Sunda eng-goning ngaguarkeun kanyaah jeungkatineungna geusan ngaraksa ngariksa

alam jeung lingkungan, hususna kaaje-gan Situs Gunung Padang, sangkan teudigunasika ku jalma-jalma anu teu bogarasa mirasa jeung boga kapentingankeur dirina. Situs Gunung Padang mistidimumule, lantaran eta situs mangrupagunung megalitik anu ngandung ajenkalintang gedena pikeun urang Sunda.

“Sunda kudu teuneung ludeung geu-san nanjeurkeun bebeneran. Ulahsieun, ulah borangan. Ka sing saha waeanu ngaruksak jeung ngagunasika alamSunda kaasup eta jalma kawalat. Jalmaanu teu ngabogaan rasa jeung mirasa.Sim kuring umajak ka anu ngariungdina ieu riungan, poma kudu sareun-deuk saigel, saamparan sabaraya, hayuurang raksa urang riksa, urang jagakalanggengan alam Sunda,” kitukasauran Prof. Dr. HM. Didi Turmudzitandes naker.

Sajeroning kitu Acil Bimbo nete-lakeun, ayeuna urang Sunda geus wak-

tuna nguniang tandang makalangan.urang Sunda kiwari kudu teunung lu -deung, kudu sabeungkeutan ngahi-jikeun kakuatan pikeun komara Sundajaga. Mun hoyong nanjeurna Sundanguniang jeung tandang sarta tanghi najati diri, nya kudu némbongkeun sikepteuneung ludeung. Ulah sieun bebeladina bebeneran.

Sabada orasi di lapang HypermartCianjur, harita rebuan simpatisan urangSunda ngaleut ka kantor pangadilannegeri Cianjur pikeun nepikeun karep,sangkan tilu urang, warga masarakatCianjur, anu harita nandangan bale-watangan, ku alatan ngabela bebenerentina gunasikana jalma anu sakarep ing-sun ngaruksak situs gunung padang.

Harita, Tim pembela hokum ti BiroHukum Paguyuban Pasundan, mi-harep, sangkan anu tiluan tea ditang-guhkeun perkara hukumanana. NyaAlhamdulillah, hakim harita nga -bulkeun harepan.***

Manglé 2454 17

Gunung Padang Ulah Digunasika

Ketua Umum Paguyuban Pasundan bareng jeung H. Nanang Masoem, Acil-Sam-Jaka Bimbo ngaraleut ka kantorPengadilan Negeri Kab. Cianjur nyakseni sidang gelar perkara

Katiga entak-en-takan. Jeung teu-ing ku panjangdeuih. Geus liwattilu bulan. Sawah

gé robah jadi amparan tela.Ngewag bareulah mataktiporos suku budak. Walunganngolétrak. Susukan irigasi gar-ing. Kakalén mah komo. Metetruntah pamiceunan sag-awayah.

“Geus meujeuhna salatménta hujan!” Kepala DesaCikerung sababaraha kalimikir. Terus ngagorowok kahansip jaga, “Susulan Amil.Rapat penting kituh!”

Nu disusul teu talangké.Malum nyampak di imah.Geus dua poé ngeduk sumurjeung ngoméan toren bocorkeur nampung cai sumur nugeus empot-empotan.

“Kumaha Pa Kadés, aya pik-ersaeun naon?” pokna baranganjog ka kamar gawé KepalaDesa. Ari pipikirananangalayang kana ondangan tikabupatén. Cara basa duabulan ka tukang disusulanngadadak. Horéng diajak bukabareng ku bupati. Lumayanbalik téh, ngélék sarung weu-teuh, kuéh kaléng, jeung am-plop eusi duit saratus rebu.Balaktiktrik balakacombrang,beuteung muti ktrik berekatmeunang.

“Ieu Mang Amil, hujan acancur baé. Pan geus Oktober aye-una téh. Halodo ti Maretasana. Pan baheula mah,datang Maret, ret hujan raat.Datang Séptember, ber hujanturun. Tos cekap salat istisqokawasna,” Kadés norostos.Pipikiranana kumalayangkana pajeg nu can katagihkabéh. Alesan rayat, kaharti.Bororaah keur mayar pajeg,keur dahareun gé geus porot.Ras deui kana kawajibanngayakeun béas raskin.Sedengkeun jatah triwulantukang gé can kabayar kaDolog. Harita dijual ka bandar.Duitna kaciwit ku itu ku ieu.Can kasetorkeun da can ayagantina. Mun ayeuna rayatngocéak butuh raskin, kumahanedunana. Aturan Dologsagolék pangkék pisan. Nu canpunah, teu bisa narima jatah.

“Nya mangga waé. Iraha?”

tanya Amil nu asa boga jalanpikeun kapaké deui, lamun tasistisqo langsung aya hujan.Tangtu Kadés moal mopoho -keun pikeun ngajenengkeundeui jadi Amil periode kadua.Éh, tapi apan taun ieu geKadés béak mangsa baktina.Mun nyalon deui, bisa kapilihkénéh, bisa henteu. Ma’lumréa saingan nu harayang je-neng. Papada baroga kakuat -an. Tapi saha baé nu jeneng,hasil istisqo ayeuna bisa di-paké modal rebut tawarpikeun kalungguhan Amil nustrategis jeung matak merekis.

“Urang énjing wé, MangAmil!” sora Kepala Desa mu-yarkeun lamunan Amil.

“Énjing?” Amil kerung,”Kumaha da istisqo mah teutiasa didadak, Pa Kadés. Nu-mutkeun kaol dina kitab,kedah puasa heula tilu dinten.Malah waktu prak salat istisqogé kedah puasa kénéh….”

“Alah…rudet….” Kepala

Désa gégétrét. Haténa betngondéal. Keuheul ka halodo.Hayang geura hujan. Hayanggeura normal deui tatanén.Ambéh pajeg gancang lunas.Ambéh teu kudu ngamprahbéas raskin nu moal disado-nan da boga tunggakan setor.

Ras manéhna inget kanasurat ti kacamatan kamari.Ngabéjaan rék aya bupati.Gancang ngageroan Sékdés.Nitah mawa surat éta. Songsurat. Gancang diilo. Enya wéngabejaan pagéto rék aya kun-jungan kerja Bupati kawewengkon kagaringan .

“Jigana klop lamun Bupatidatang, di dieu keur istisqo.Atawa boa Bupati bakal nger-sakeun milu. Dihenteu-hen-teu gé santri. Boga gelarakademik S.Ag.,“ Kadés semunyéréngéh.

“Kumaha pami pagéto,Mang Amil, salat istisqo téh?”Kepala Desa mencrong kaAmil, “Kaleresan aya Pa Bu-

pati ka dieu…”“Pa Bupati?” Amil malik

mencrong. Kasempetan. Sahanu nyaho bupati katajieun,heug baé ngarékoméndasi -keun jadi ketua MUI tingkatkacamatan atawa kabupatén.“Ké, asana aya kaol salat is-tisqo teu puasa heula. Ké Ma-mang muka heula kitab atuh.Urang putuskeun sonten….”

“Nyanggakeun. Pokonaurang istisqo pas aya bupati kadieu,” Kadés katémbong bun-gah. Mun pareng, engké bu-pati apaleun kaayaan gararing,tapi ihtiar teu eureun-eureun.Dalah ku cara nu luyu jeungparéntah agama. Salat istisqo.Sugan wé taun hareup, alokasianggaran dana désa, PNPM,katut subsidi-subsidi séjénna,nambahan ceuyah. Lumayanaya bekel keur nyalon deui.Kajeun teu kapilih deui ogé.Tapi sugan wé kabiruyungankénéh.

Datang ka imah, Amil gan-

18 Manglé 2454

Carpon H.Usep Romli HM

Katiga Entak-Entakan

19

cang mukaan sababarahakitab nu aya patula-patalinajeung salat. Goréhél dinakitab “Zadul Ma’ad” susunanIbnul Qoyyim al Jauziyah, ri-wayat istisqo jaman KangjengNabi Saw. Harita Madinahkatibanan halodo panjang.Kangjeng Nabi marén-tahkeun para sohabat kamushola dina hiji poé nu kuanjeunna geus ditangtoskeun.

“Teu disebut marén-tahkeun puasa heula,” Amilkerung mikiran kalimah ‘dinapoé nu geus ditangtukeun’.Boa saméméhna KangjengNabi maréntahkeun heulapuasa. Terus dina poé nu di-tangtukeun pikeun istisqosabada puasa tilu poé, marén-tah ka mushola. ”Tapi da teutandes. Henteu qoth’I. Jadiaya kamungkinan teu puasaheula.”

Teu muka kitab-kitabséjénna deui, sabab di dinyamah réréana nyebutkeun rékistisqo kudu puasa heula.Jadi lamun rék istisqo pagéto,meneran aya bupati, kudugeus puasa ti ayeuna kénéh.

“Ahhhh, urang cekel wékaol Ibnu Qoyyim,” Amilmancegkeun pamanggih.

Pagétona, geus kumpul ditegalan. Teu jauh ti kantor ka-camatan. Acan prak salatsabab ngadagoan heula bu-pati datang. Karék pupujianwé. Maca du’a Nabi Enuh.Dipingpin ku guru madrasahurang Désa Karanghonjé. So-rana rada rébék. Écés pisantina sonsistem nu terusdiomé-omé ku patugas SatpolPP. Miceun gangguan sorakékérésékan jeung ngahiung.Ambéh engké kitu dina wak-tuna dipaké pidato ku bupati,ngoncrang.

“Istaghfiru Robbakum,”Jang Guru ngaleu, ditu-turkeun ku ‘huuunng’ sonsis-tem krodit. “Innahu kanaghoffaro……..kkkkr-rkkkkkrkk…kkrrrkkkkk……yursilis sama-a….huuu-unggg…….alaikum midroro……”

Kitu jeung kitu wé, nepi kasalat dimimitian. Diimamanku Amil Désa Cikerung. Bu-pati jeung aparat kabupaténmilu ngamum. Ampir wé

dina rokaat kadua, keur macasurat “Hal ataka haditsulghosiyah”, imam kapohoansaayat. Ma’lum saumur hirupngimaman salat, karék ayama’mum pangkat bupati.Hadéna kasilep ku hiung jeungkarasak-kérésék sonsimtem.Mun henteu téh, lapur. Kato-hyan malaweung.

“Mugi-mugi Alloh ngaijabahdu’a urang sadaya dina istisqoieu. Ngalungsurkeun hujan nunyandak barokah, nyuburkeuntatanén, nebihkeun kama -larat an sareng kasusah urangsadayana, mahlukNa nu hinadina…” Amil narjamahkeundu’a ménta hujan nu dicon-tokeun ku Kangjeng Nabi Saw“Allohumma asqina ghoysanmughisan…”

Tilu poé kaliwat karék ayaceudeum-ceudeum. KepalaDésa jeung Amil bungah. Asadiijabah najan kabuktian acancur ogé.

Sabalikna Gumara, nu kabé-jakeun rék nyalon KadésCikerung. Gégéjrét keuheul.Saminggu deui rék hajatbadag. Ngarayakeun akadnikah anakna nu cikal.Sakalian rék dipaké pintontagog. Kampanye yénmanéhna rék tandangmakalangan marebutkeun ka-pamingpinan désa.

“Mun breg hujan dina wak-tuna, lapur, lapur…” Gumarajalang-jéléng di tengah imah.

Pamajikanana nu keurkaprak-keprek di dapur nyam-peurkeun. Pok ngomong, “Ba-pana, pihak katering teubeunang ditawar. Keur duarébu tatamu, keukeuh opatpuluh juta. Tah ieu menuna,”song keretas sakebét. Ku Gu-mara ukur dirérét.

“Urus wé. Nu penting suk-sés. Ramé. Gebyar!”

“Hiburan mah teu acankalebet,” cék pamajikananadeui.

“Enya sok utang-itung singimeut. Soal dana apan geusdisiapkeun dua ratus juta!”Gumara rada nyengor.

Torojol Bahur, usung-ésangkadeuheus.

“Aya info naon, Hur?” Gu-mara meubeutkeun awak kanasofa. Nyokot udud sabatang.Bahur ngecrékkeun zipo

hujan. Ayakan butut sahiji di-gantungkeun dina palipid juruimah. Hiji deui, dikebulanmenyan pasangkeuneun dijuru imah Gumara engké dinawaktuna ngamimitian hajat.

Nu ngarep-ngarep hujanturun, beuki marudah. Kadésmurang-maring. Lain pédahhujan teu turun atawa istisqogagal. Nu jadi masalah,kalungguhanana beukingarasa kaancam. Tunggakanbéas raskin can kabayar.Alokasi dana désa moalningkat da pajeg mandeg.Atuh wibawana bakal kagusurbalukar kaayaan juwet kieu.Kagaringan. Gagal panén. Pa-nyéléwéngan raskin jeung sa-jabana, nu bisa dipaké parabotkampanye ku calon-calonséjén, pikeun nyerang dirina.Pangpangna ku Gumara, nukeur meujeuhna lubak-libukréa duit, jeung ngayakeunhajat badag méstakeun ka -winan anakna. Nu rék digu-nakeun keur kasempetan hadépikeun mikat perhatian jeungkapercayaan balaréa.

Amil ogé ngan huleng-jen-tul. Rumasa salah maca kaolIbnul Qoyyim. Rumasa mak-sakeun istisqo méngpar tinaaturan syara. Tapi mun teukitu, meureun moal parengngimaman bupati nu jadima’mum.

“Lain teu diijabah, acan wé.Geuning ceudeum-ceudeum -na mah geus aya. Tangtu étahasil istisqo,” Amil ngupahansorangan. Pangupah-ngapéhéta nu ditepikeun ka KepalaDésa. Itung-itung meperkageumpeurna. Ditambahanku paparah, “Urang mahsakadar ihtiar, nu nangtukeunanging Gusti Murbéng Alam.Istisqo atos, soal curna hujanurang sanggakeun ka NuMaha Kawasa.”

Tapi di piluaran sahéng. Silitanya, mana nu ijabah, du’asalat istisqo nu dihadiran kubupati, atawa jangjawokannyarang hujan Abah Lahiamnu ngalantarankeun pésta diimah Gumara, ramé kabina-bina? Dangdut, jaipongan,jeung sajabana. Mulus banglusteu kaganggu ku hujan. Nam-bahan angar katiga entak-en-takan.***

kameumeut. Paméré Gumaradua taun ka tukang. Ngahajadibabawa. Sina katémbongeunyén manéhna tumarima pisan.Gur hurung, dipaké nyeungeutudud dununganana.

“Mangkukna salat istisqo dikacamatan,” Bahur laporan.“Aya bupati nanaon…”

“Heueuh urang gé nyaho!”Gumara nyenghor, “Nu matakcarareudeum kieu. Paur keururang hajat, hujan ngayer.Atawa saméméhna ogé, saruacilaka, jareblog. Geus béréshajat onaman kumadinya rékdicicikeun ti langit gé sabodo!”

“Urang akalan ka AbahLahiam,” Bahur lir ngingetan.Nyebut ngaran dukun tukangnyarang hujan. Dukun lepusnu ahli ngungkulan jeung ne-dunan sakur nu ménta pitu-lung ka manéhna.

“Aéh heueuh!” Gumara giak.Nepak sirah, “Nuhun Hur di-ingetan. Wayahna indit aye-una ka ditu. Hiras ti poé ieukeur ngakalan ulah hujan nepika hajat lekasan.”

“Siap, Bos,“ Bahurnyakakak. Panonna mélététkana leungeun Gumara nukeur ngodok saku. Nyokot duittilu lambar saratus rébuan.Song ka Bahur.

“Béré sakitu heula. Munhasil, dijejegan sajuta kituh.Yeuh, bisi motor eweuhbéngsinan,” Gumara nga-songkeun deui lima puluhrébu. “Mahikeun nepi kaminggu hareup.”

Bahur gancang indit. Duitnu tilu ratus, dua ratusdibebeskeun kana lokétna nugeus sababaraha poé lépétpisan. Nu saratus diajangkeunkeur Abah Lahiam. Duit limapuluh gé nuturkeun kanalokét. Keur béngsin mah ngan-juk heula ka kios dua takOdang. Bayareun engké arimeunang deui pérélék tidunungan. Duit sulupat-se-lepét ieu mah rék dipakémasang nomer peuting isuk.Sugan wé keuna. Sakalian rékménta pangnoongkeun kaAbahLahiam, sabaraha nomernu rék kaluar engké.

Teu hésé muntangan. Geusnampa duit saratus rébu tiBahur, poé éta kénéh AbahLahiam tatahar nyarang

Manglé 2454

20 Manglé 2454

Sekar leumpangnyampeurkeun boxanakna. Kulambubulao ngorangarumbay nu-

ruban ranjang leutik. Dising -raykeun. Bréh katempo, buahhaténa keur saré ngageubra.Diteuteup pipina nu montokjeung beresih, semu beureum.Bulu panonna centik. Natarangna buuk laleutik ngaro -yom. Sekar imut. Simbut Popidibebener.

Luk tungkul. Tarang Popidiambungan. Kulambuna di-tutupkeun deui. Tina jandélaaya angin nu nyalisir ngelab -keun tungtung kulambu.Jandéla gancang ditutupkeun.Bisi angin asup ka kamar.Ulah, Popi ulah kaanginan.Haté Ambu bakal geringlamun Popi kaanginan.

Bari mérésan baju Popi,Sekar diuk dina ranjang.Tadiisuk-isuk salakina merenah -keun box Popi deukeut jan-dela, méh kapoyanan.

“Jandélana kedah dibuka -keun,” pokna reueus.

Unggal poé Popi jadi rebu-tan duaan. Hayang ngagugu-lung, mun teu ras ingeteunyén umur Popi kakara tilu

bulan. “Nyaah kitu ka Popi?” Sekar

nanya. Asa sorangan nupangnyaahna téh geuning.Sieun salakina mah teu nyaa-heun.

”Naha bet naros kitu? Atuhteu nyaah mah moal…” teukebat. Kaburu ku Sekar ditu-luykeun bari seuri.

”Moal manggaleuhkeun ku-lambu kanggo Popi nya,Pop?” pokna ka orok nu nganukur bisa ngabelényéh seuri.Salakina neuteup.

Hararésé naker rék indit kakantor téh. Mun teu dijurungmah sigana ngajentul wénungguan Popi.

”Mun teu dikulambuan re-ungitna ka lebet. Nyocoan,”Sekar seuri leutik kayungyun,rada nyindir ka salakina.

Kulambu, keur Sekar ma-pandékeun panghalang nungagoda katengtremanrumah-tanggana. Kungsi,méh baé kulambuna nying -ray. Tadi Sekar hayang nga-heureuyan salakina, tapi teuwasa. Teu wasa ngedalkeun.

Na haténa aya nu nyaram.Sekar ngarénghap alon. Pa-neuteupna seselendep kanajeroeun kulambu néanganPopi. Saréna tibra.

Lucu puguh Popi téh,geulis. Siga saha? Sekarngalenyap. Teu pupuguhhaténa bet inget deui kadinya. Kana lalakon nu kungsingendagkeun haté. Nyalisirkawas angin janari. Tiis, tapipeurih. Sok Sekar nunda bukunu tadi dibaca, ditunda dinakasur, basa katempo Popingulisik. Bray nyingkabkeunkulambu. Popi geus nyaring.Ku Sekar diusap pipina. Be-lenyéh seuri. Sekar imut.

“Pinter!” pokna, “Popi teunangis. Pinter putra Ambu,wareg bobona?” Sekar alé-woh. Asa teleb ngabasakeunAmbu. Budak némbalan kubasana, sorana ririh

“Hakeng, hakeng,” cenah,belényéh deui seuri.

“Palay nénén, pipis?” gapleungeunna kana bujur Popi,pempersna geus pinuh.

“Gentos heula, nya?” Popidiangkat. Sok dina ranjanggedé, disalinan.

Popi ngaéh, lapareun. Tudatadi saréna jam salapan wancihaneut moyan, sanggeus di-mandian, sanggeus disusuan.Méh jam satengah satu, karak

lilir, meujeuhna lapareunpisan.

Ku Sekar dilahun, pék dis-usuan. Nyoso naker.

Sabot nyusuan, Sekar teupetot-petot neuteup hihide-ung panon anakna. Sakape-ung, mun keur neuteuppanon Popi, haténa sok tagi-wur. Ngajorélat aya panonHana, nu kungsingendagkeun haté salakina.Geulis, lungguh. Panonna liuhsiga panon Popi ayeuna.

Mun inget ka Hana, haténasok nyérését. Kawas angin ja-nari, teu karasa tapi matakpeurih kareureuhnakeun.Hana, batur sakantorna.

Tilu taun, Sekar jeungsalakina ngarep-ngarep bagja,nungguan hadirna jabangbayi nu bakal ceurik meu-peuskeun simpéna peuting.

Tilu taun Sekar narimakalawan tawekal. Sanajanhaténa mindeng ceurik,upama nempo teuteup salak-ina semu ngananaha. Nahacan sanggup jadi indung?Naha? Paneuteup panutanananu baheula liuh, sok remenkasipuh ku pangdakwa. Jaditiis, ngagerihan. Salakina jaditiis. Jadi ngantep manéhnadina kanalangsa nu jero.

Padahal mah na waktusarupa kitu, taya deui kabagjaSekar iwal ti panyombo,kadeudeuh, jeung kanyaah tinu jadi salaki. Tapi karasa kumanéhna, harita jadi hambar,jadi tiis, combrék.

Sanajan lemes bari buni,karasana ku Sekar mah, hatésalakina jadi anggang. Sokhayang ngojayan jerona pa-neuteup asa lain keur manéh -na. Sekar ngarti, salakinanyumputkeun kakuciwa.Sekar hayang ancrub, hayangteuleum. Tapi teu wasa. Raska dirina, sieun manggihkanyataan nu peurih. Tayatangan pangawasa mun ka -nyaah salakina ngolémbar.

Tapi éta sangkaan goréngteh sok buru-buru dis-

Kulambu SutraCarpon Tety S Nataprawira

Manglé 2454 21

ingkahkeun. Embung nangé-nan mun haté salakina endagkaanginkeun. Ngolémbar kanu séjén. Sanajan ngarti naonsababna. Da mun enya kitu,Sekar rumasa can bisa mérékasugemaan.

Karasa ku Sekar gé, poék,taya béntang. Taya teuteup ha-neut tina panon panutan ati.Teuteup deudeuh, bet karasapeuray lalaunan. Jadi tiis com-brék. Kasaput ku imut ham-bar. Hiji waktu Sekar hayangneuleuman hate salakina. Tapisalakina nyingkahan pananya.Kalawan karasa, kageugeutnalain kageugeut nu baheula.

”Anggur gé bobo, tongseueur teuing ngémutan nulain-lain. Akang angger nyaah.Moal rék ka mamana.”

Tapi haté Sekar, manantengtrem kalah cangcaya,kalah beuki nalangsa.

”Kang..!” ngomongnadareuda, ”Hapunten cantiasa…..”

Teu kebat, kapegat kusumegruk. Karasa, sirahnadiusapan. Tapi usapna ham-bar, dadana motah, marudah.

Harita Sekar neuteup lala -ngit. Dina lalangit katémbongaya orok nu lucu. Nu bakalnyebut Ambu ka Sekar, jeungApa ka salakina. Bagja temen.Haté Sekar diayun ku angen-angen. Les, kasaréan.

Tengah peuting lilir, kacidasimpéna. Salakina taya di gi-gireunana. Tapi keur ngadelukna méja komputer. Ku Sekardisérangkeun ti kamar, tinapanto nu méléngé.

Sakapeung salakina katem -po malaweung. Neuteup kajauhna bangun taya pitun-duheun. Nyanghareupankomputer, keretas jeung buku-buku hareupeunana. Sekarapal, salakina keur komuni -kasi jeung batur, céting. Pluk,katangén aya nu murag.Hayang ngojéngkang mang -nyokotkeun, tapi sieun gareu -wah. Sekar bati nalangsa.Haténa gegeroan. Ngageroansalakina, nu haténa teuingkeur kumaha.

Waktu salakina asup deui kakamar, Sekar api-api sarétibra. Kadéngé salakina nga -rénghap beurat. Goloyoh gi-gireunana. Karasa

ngeukeupan, pageuh.Neueulkeun Sekar kanadadana lalaunan bangun sieunleupas. Alon pisan, antaranyaring jeung henteu, Sekarngadéngé nu ngaharéwos.

”Hapunten Akang, bet wasamiharep nu lian.” Séréséthaténa karasa peurih.

Geus tangtu salakina teunyangkaeun manéhna keurnyaring. Na panonna karasaaya nu haneut, baseuh. Sorahalon salakina bieu, kabawaka alam ngimpi.

Kulambu sutra kekelaban,lir nu ngagupayan. Ngarim-bunan ranjang leutik. Jeroeu-nana aya sarébu kabagja jeungkatrésna, ku Sekar disingray -keun. Kabéh impian baheula.Baheula saméméh aya Popi.Ayeuna Popi aya na lahunana,lahunan indung, dina kawihdeudeuh Cianjuran, nusalawasna mawa katengtremati. Sirah Popi diusapan. Ngokdiambung. Seungit, seungitorok nu beresih.

Mun kongang mah hayangsalawasna ngeukeuweuk Popi,mamangku Popi. Sekar imut.Kacipta deui basa Sekarhayang némbongkeun test-pack positip ka salakina.

Aya kabagja sején leuwih titi éta, basa ngarasa aya nu usikna kandungan. Gusti NuAgung! Sekar asa ngapung kalangit katujuh. Jungjunan nudianti-anti kiwari ngageter -keun asih.

Bet teu kanyahoan ujug-ujug ter wéh ngageter. Pa-nyangka Dédéh mah telat tilubulan téh biasa, da sok kitu.Teu dipariksa ieuh, kawas nugeus bosen ku kakuciwasaperti saméméhna.

Horéng puputon téh da -tang na ngagareuwahkeun.Sekar imut, hayang ngabéjaansalakina ku geterna Si UtunInji mun usik deui, rék sinapataréma.

Ngarah bagja. Cipanonnadiantep sina ngembeng.Hayang geura Si Utun usikdeui.

”Kang,” pokna dareuda,”Tah cepeng ” leungeun salak-ina diteueulkeun basa na beu-teungna aya nu usik.

Teup panon pateuteup, ba -ngun cangcaya. Manéhna

unggeuk. Na panon salakinaaya talaga nu ngembeng.

”Tadi uih diparios, kuBidan. Leres, énjing piwarangdi-USG ka dokter kandungan,”Omongna dareuda.

”Alhamdulillah,” témbalnangagerendeng, lalaunan tapijero. Paneuteupna nyorotkeuncahya bagja. Leungeunnanangkeup Sekar.

”Hapunten,“ pokna. Sekarngalenyap. Naha? Hapunten?Leungeun salakina ngusapan.

”Salami ieu Akang seringngantep,” ngaharewos.

Sekar teu wasa kedalnanaon. Pangrasana teunyalahan.

”Pami dihapunten Akang nupangbagjana,” pokna.

Tuluy wakca. Haténakungsi baluweng, kaendag -keun ku harepan nu ngagoda.Haté Sekar ngaleketey, peurih.Tapi teu wasa ngabibisani. Teuwasa némbal. Sabab kacidapeurihna, geuning.

”Rumasa, Akang kungsiboga harepan séjén. Tapi teuwasa wakca. Tapi ngan ukurteu wasa mopohokeun, tayaleuwihna. Sabab apan Akanggaduh Sekar.”

Reup Sekar peureum,nahan rasa nu awor nadadana. Peurih jeung ngenes.Embung ngadéngé nu wakcabalaka, tapi haténa teu wasangantep.

Nyah beunta, malik kasalakina. Cipanonna tuhur.

Teu, teu wasa némbong -keun kapeurih ati. Pék nanya,“Saha namina?”

Salakina keur neuteuplalangit, ngaganjel sirahna kudua leungeun.

“Hana,“ témbalna.Sekar ngarénghap, kolébat

Hana némbongan. Deudeuhteuing. Panon nu liuh, Hananu bageur. Reup Sekarpeureum. Hampura Han.Ceuceu terang, na panonHana nu liuh aya kadeudeuhkeur si Akang, salaki kuring.Tapi kacinta Ceuceu teu wasamaliré haté Hana.

Ulah, ulah micinta Akang,sabab Ceuceu embung leu -ngiteun katrésnana.

”Naha Akang teu sasauran tikapungkur, ari tos lami mah?”Sekar nanya.

Salakina malik. nangkeup.Teu némbalan. Sekar hayangsumegruk. Tapi ditahan.

”Hapunten, Akang sieunleungiteun. Ti ayeuna jangji,moal sumoréang ka mamana.”

Haté Sekar ngaleketey. Salakina mageuhan keukeu-

pan. Ngarénghap saperti nungaleupaskeun bangbaluhna.

Na kandunganana Sekarkarasa aya nu usik.

Gap leungeun salakinadicekel. Tel diantelkeun.Cipanon bagjana lalaunanjuuh.

Ti harita mun Sekar inget kaHana, sok gancang dis-inglarkeun. Sekar yakin. Tipoé ka poé karasa kabagjabeuki minuhan dadana. Nukungsi karasa anggang téh,ayeuna beuki geugeut.

Tepi ka waktuna, Popi lahir.Séhat, montok, beresih. Hana.Hana Popiani. Sekar milihngaran éta keur Popi.

Tapi salakina nyaram.“Tos waé Popi,” pokna.“Naha ulah nganggo Hana?”

ngaheureuyan, salakina nga-balieur.

Nyah Popi beunta. Sekarimut. Belenyéh Popi seuri.

“Wareg nénénna?” SirahPopi diusapan.

“Hakeng, hakeng…” Ririh,sora nu mawa katingtrim ati.

Angin asup tina pantokamar. Karasa tiis, Sekarngalieuk ngawaskeun nuanyar datang. Ngarérét kanajam. Wayah balik ngantor. Teukadéngé gerung motorna.Jongjon teuing ngurus Popi.Tadi milu ngalenyap basa Popitibra. Lilir-lilir jam opat soré,wanci ngelap atawa ngaman-dian.

”Karék gugah?” manéhnananya. Panto kamar ditutup-keun. Gék diuk dina sisi ran-jang.

Sekar imut. Jung nangtungmangku Popi, rék disarékeundina box, tas dimandian.

”Mbu, nyaah ka Popi?”Salakina nanya. Sekarngarérét.

Teup pateuteup. Kiwari aya tali kaasih nu

salawasna nganteng. Teu perlusieun leungiteun, sanajan ku-lambu sutra kungsi ngelabkaanginkeun. ***

Manglé 2454

“Akang téh nyaah,” ceukDuyéh hiji soré. Hujan ka -kara raat. Tatangkalan rajegngabigeug. Angin duka kamana. Sapanjang jalankomplek Griya Surga Indahaya ku simpé.

“Tapi modal Akang mahsaukur nyaah, ngan nyaahjeung nyaah.”

Ésih ngarahuh. Bet ayaanu gumeter di jero kalbu na.Basa sésa cihujan anu nga-gantung dina pucuk plam-boyan ngeclak, asa haténaanu katinggang cai weningtéh, nyecep jeung seger. Basateuteupna amprok jeungteutep Duyéh, aya ombakanu ngagalura dina dadaÊsih. Ésih imut bari nga-balieur, bari yakin paneu-teup Duyéh mah anggermanteng ka ma néhna.

Biasana, lamun Êsih na -ngenan Duyéh neuteup sigakitu, Êsih sok heureuy kupananya, “Geulis nya?”

“Enya, anjeun téh geulis,Sih. Lantaran éta meureunAkang teu bisa mopoho -keun anjeun.”

Unggal mulang jalan-jalan jeung Duyéh, di ha -reupeun eunteung di ka marna, Ésih mindengngagerendeng; enya kituaing téh geulis? Lain henteusukur ka Gusti, Ésihngarasa dirina biasa waé.Enya éta ogé olah raga, ngu-rus awak, pangpangnalebah pameunteu jeungrambut, geus jadi kabu-tuhan. Tapi dirina asa hen-teu geulis siga Meida Safiraatawa Kimberly Ryder.

“Sih, geulisna istri mahaya dina haté lalaki,” ceukDuyéh hiji waktu basa Ésihnanyakeun, naon atuh kri-teria lalaki bet bisa nganiléygeulis jeung henteuna hijiawéwé? “Keur Kang

Dadang, Ceu Nia pastipanggeulisna. Keur Qais,Laila téh panggeulisna.Keur Asraf, Bunga téhpanggeulisna. Keur Duyéh,pasti Ésih atuh pang geulis -na.”

Duka iraha mimitinangaran Duyéh bet remenngalangkang dina pikiranjeung haté Ésih. Da baheulamah tara inget saeutik-eutikacan. Buukna anu panjang,ririaban lamun katebakangin. Atawa imutna anu

mandiri béda ti anu séjén.Atawa teuteupna anu matakteu puguh cabak, cankungsi kapikiran. EnyaDuyéh téh kawentar henteungan di kampus. Duyéhmah di kampus séjén, dikota séjén, teu weléh réaanu ngahiap-hiap. Apansakali maca sajak atawamedar pangalamananangarang carpon ogé, henteusaeutik mahasiswi ngara -riung harayang deukeut,harayang wanoh. Lantaran

éta meureun Ésih ngarasakuméok méméh dipacok.Manéhna mah apan maha-siswi biasa waé.

Henteu nyongcolang dinawidang matakuliah, ekstra -kulikuler, atawa kaseniananu loba ngirut rumajasapantaranana.

Tapi hiji soré Duyéhdatang ka tempat indekosÉsih, nginjeum buku Se-jarah Komunikasi. Perkaranginjeum buku mahanggeus lima menit ogé,tapi Duyéh di tempat inde -kos Ésih aya kana duajamna. Saterusna mahDuyéh mindeng nganjang,ngajak jalan-jalan, nyelap-keun puisi cinta dina bukuÉsih, ngahaleuang lagu

22

Carpon: Yus R. Ismail

Ésih jeung Duyéh

cinta dipirig gitar. Enya,Ésih gé ngaku, Duyéh téhromantis, bageur, perha -tian. Sakali mangsa mahbasa Duyéh nganjangkabeneran Ésih tas wudu.

“Akang mah pangwaas-waasna ningali istri téhsabada wudu. Cai masihngareclakan tina buukjeung pameunteuna. Istrianu geulis téh nyaéta istrianu rajin wudu ceuk Akangmah. Hanjakal Akang mahtas solat. Mun seug acan,hayang teuing ngajaranngaimaman Êsih,” ceukDuyéh.

Ésih saukur imut, terus kakamarna arék solat.

“Di dieu waé solatna, Sih,Akang hayang neuteup Êsihnuju solat.”

Ésih ngajanteng sakeda-pan, ngararasakeun anunyaksrak dina dadana. DuhGusti, saleresna abdi téhngantosan kaayaan sapertoskieu. Enya, rarasaan jeungpangacianana mah Êsih téhbaluweng ku asma ra. Tapipikiranana, kayakinanana,Ésih tetep peng kuh. Êsihcangcaya kana kedaling ucapDuyéh. Henteu salah, Duyéhtéh romantis, bageur, kasép,perhatian. Tapi apan Duyéhmah kawawuhanana aya dimana-mana. Wanoja anukatarik ati kapentang asma -ra ku Duyéh sigana henteusaurang dua urang. NahaDuyéh ogé sarua roman-tisna, perhatianana, ba geur -na, ka unggal wanoja anudeukeut jeung manéh na?Pananya samodél kitu anuhenteu leungit tina pikiranjeung kayakinan Ésih.

Nepi ka hiji soré, basa gi -rimis mépés poé, Duyéhngucapkeun kalimah anumoal leungit tina ingetanÉsih.

“Lamun seug anjeun téhmasjid, Akang mah hayangterus-terusan solat dijerona,”ceuk Duyéh.

Ésih ngararasakeun anginanu ngagilisir kana pipi

parat kana haténa.

**“Naha atuh Akang téh bet

nyaah ka abdi?” ceuk Ésihhiji soré. Girimis anu ning-gang dangdaunan wirah-mana matak waas. Duyéhneuteup ka jauhna, kasapanjang jalan komplekGriya Surga Indah. Tukangbajigur anu tadi ngaliwatngiles di péngkolan.

“Urang mah moal kungsiapal, Sih... iraha jeung dimana rasa téh eunteupna.Êta mah rusiah Pangéran.Meureun enya ceuk Afrijal,cinta téh hal panganéhnadina hirup manusa. Lan-taran éta, henteu samistinakanyaah Akang ka Êsihhantem ditatanyakeun. Dacinta mah moal bisa ditar-jamahkeun kana basaurang.”

Ésih imut. Enya kitu? Tapinaha ieu haté bet teu bisa di-upahan. Unggal ningaliDuyéh ngobrol jeung Yeni,Dian, Eli, Kim, Fatin, Méla,Ratu, jeung wanoja lainna,rasa cangcaya téh beuki tém-bong ayana. Naha timburukitu? Naha wajar timburujadi gemuk kacangcayaan?Ésih henteu ngarti, nahahaténa bet cangcaya pikeunnarima Duyéh sagem-blengna.

“Kudu ku naon atawa kucara kumaha atuh Akangtéh pikeun ngayakinkeunanjeun, Sih?” ceuk Duyéhsakali mangsa. Êsih henteungajawab. Bet geter-geterkanyaah anu aya dinahaténa, karembangan, basamaca sababaraha lembarsajak cinta, sajak cinta anudihususkeun keur manéh -na. Tapi keur pikirananamah sajak téh henteucukup.

“Hiji mangsa, aya kuhayang boga patamanan dipipir imah, imah anu seder-hana tapi resik. Lamun sorédi patamanan téa urangbisa nyaksian panonpoé

surup. Lamun isuk-isukurang bisa nyerangkeunbarudak lalumpatan ngu -ngudag kukupu anu eun-teup dina kekembangan.Urang téh kudu ngajarkeunka barudak, yen hirup hen-teu bisa dilakonan tanpacinta. Bet ku hayang maca -keun sajak-sajak cinta, nga-galindengkeun lagu-luguasmara, jeung nyelapkeunsagagang érmawar dinarambut hiji wanoja, anu jadiindung barudak téa. Sih,naha kersa jadi wanoja dinalamunan Akang?”

Ésih teu némbalan. Haté -na mah enya geus kaban-dang ti saméméhna. Tapipikiranana, angger cang-caya. Sakanyahona, sajak téhngan ngadabrul wungkul.Komo deui sajak cinta anuhésé dibédakeun jeungrayuan gombal. Amangnaogé apan aya anu jadi panya-jak. Mindeng demonstrasi dijalan-jalan. Hasilna?Nyangsarakeun anak pama-jikan ti imah kontrakan kaimah kontrakan. Meureunlantaran kacangcayaan étaÊsih henteu ngedalkeun pu-tusan anu pasti. Nepi ka hijimangsa mulang ka tempatindekos Êsih dianteur kuKémod. Ti mimiti wawuhKémod mah geus ninga-likeun hiji lalaki anu mapan.Mapan téh gembleng salakulalaki jaman kiwari. Pa-pakéanana perlénté, ka dituka dieu momobilan, ngajakjalan-jalan ka pertokoan,balanja, nonton film, baliknanyimpang ka dunkin, kfc,atawa réstoran méwah.

Naha enya dina hatéawéwé, enya ogé dinabagian leutikna, aya kayaki-nan yén rajakaya téh pon-dasi anu weweg pikeuncinta? Ésih saenyana hen-teu yakin kana hal éta. Tapinalurina nungtun pikeunmilih jeung ngajalankeun -

ana. Ésih ngucap sukurlogikana masih waras, hen-teu ancur burakrakan kurasa anu henteu logis. Êsihhenteu bisa ngabadé Duyéhbisa nengtremkeun tinajihad matéri.

Naha enya, di jamansarwa téhnologi cara ayeu -na, cinta taya hartina samasakali?

Basa Duyéh apaleun yénÉsih geus nangtukeun pili-han, manéhna datang hijisoré. Sababaraha lambarpuisi anu digulung dibikeunka Ésih sabada dibacakeun.

“Kudu kumaha deui ngu-capkeunana, cinta ka an-jeun téh geuning ngamalirterus-terusan taya saatna,nyébor katineung kana teu-teup anjeun, rambut an-jeun, cai anu ngagarenclangnyarakclakan sabada an-jeun abdas.”

Ngan sakitu anu diucap-keun ku Duyéh. Tapisuasana soré girimis, am-bekanana basa keur macasajak anu siga diatur, getersorana, leuwih ti sajutaucap. Basa lambaran sajaktéa dipasrahkeun, kembangérmawar diselapkeun dinabuuk Êsih, terus amitannangtang girimis. Buuknaririaban boborélakan ku ci-wening, Ésih ngarasa ayaanu nyeuit dina dadana.Nyeri jeung peurih.

**“Kumaha carana nga -

leungitkeun panineungan?”tanya Ésih ka Dédah, sobatkuliahna. Kampus pasosoréaya ku simpé. Girimismépés poé anu tadi men-trang. Dédah nyeuleukeu-teuk.

“Naha seuri? Naha Dédahteu kungsi boga panineu -ngan?”

“Pohokeun wé atuh KangKémod mah. Masih ngantrianu ngahéroan ka Ésih

Manglé 2454 23

Nyambung ka kaca 34

24 Manglé 2454

Poé eta Si Arkanbalikna sorangan.Inditna mahduaan jeung SiObing, budakna

Bi Isom. Ari pangira SiArkan babaturanana téhgeus balik ti heula.Dicelukan sababaraha kalidi gunung Sayur, taya nem-balan. Geus kitu mah gedigwé manéhna balik. Ongkohjukut dina tolombong geuspinuh. Maranéhna indit kagunung Sayur téh ngadonngarit. Barang datang kalembur, gebru neundeuntolombong dina kandangdombana. Sanggeus dipara-ban sacukupna, koloyong kalmahna Bi Isom.

Dua puluh meter deui kaimah Bi Isom, Arkangegeroan “Bing Obing! kunaon euy ilaing ning-galkeun?!”.

Euweuh nu némbalan.“Bing! Obing!” ceuk

Arkan deui. Geus nepi, gékdina golodog. Kulutrak, sorapanto muka, lol sirahindung na Arkan.

“Obing mana Bi?” SiArkan gasik nanya. “Tebatka lebak, ngurek ?”.

“Har? Ari manéh kapantadi ngarit jeung manéh.Geus lila nya ilaing balik”.

“Karek jol Bi, kebat kadieu, da panyana téh Obinggeus balik ti heula.” Deg,cenah karasana kana dadaBi Isom. Palangsiang SiObing leungit! Pok wénanya ka Arkan, “Ke, ari

tadi ngaritna ti lebah manadeuih? Mana lalila teuing?”.

“Rada jauh tadi mah, Ibi.Hésé néangan jukut nu alustéh. Malum keur usum kieu.Halodo mah di mamana géhésé jukut nu hadé,” walonSi Arkan.

“Na ti mana ngaritna?”cek Bi Isom.

“Ti gunung Sayur?”Ngan gebeg we Bi Isom

ngagebeg “Gunung Sayur,”gerentesna.

“Gusti, mani jauh-jauhteuing, Arkan! Sia mah cannyaho nya gunung éta?Kolot gé langka nincak gu-nung Sayur. Sanget kénéhdeuleu! Ari ieu maranéh,budak satepak kénéh betwawanian. Lah kami mahpalangsiang Si Obing leu -ngit, aya nu nyumputkeunku urang dinya! Gusti,mangkaning anak ngan hiji-hijina. Da éta manéh numamawa ka dinya téh!”

“Si Obing nu ngajak mahIbi. Resep meureun cenahdi gunung Sayur mah. Lobajukutna jeung ngaremploh.Pikabetaheun deuih, uingmah sakadar nuturkeunmanéhna.”

“Lah komo geus nyebutbetah-betah kitu, palang -siang.” Ngan géwéwék we BiIsom ngajéréwét. Hing wéhceurik. Teu lila rob tatang-gana ngadareukeutan.Reuwaseun.

“Ku naon Bi Isom téh,Arkan?” ceuk Bi Teja ka SiArkan.

“Mimitina mah nanya -keun Si Obing, da tadi téhbareng ngarit ka gu nungSayur. Ari panyangka Uing,manéhna geus balik tiheula.”

“Ari ieu can nyampak diimah nya?” ceuk Bi Teja.

“Puguh nu matak ceurikgé.”

”Di ditu kénéh meureun.Tungguan wé, mun wanciAsar can mulang waé, urangsusul ku saréréa. Nya MangTarju, enya henteu?” Bi Tejangalieuk ka lebah MangTarju.

“Heueuh cék uing mahkitu wé. Wanci Asar SiObing can mulang, wajib kuurang lembur susul. Boateuing ayeuna di jalankénéh, atawa sumpang-sim-pang heula ka lemburséjén,” ceuk Mang Tarju.

“Mamawa tolombongwadah jukut nya?” ceuk BiImik bari seuri. “Kawas nudagang ancleung nyah?”

Ger nu aya di dinya sa -reuri, kagugu ku polah BiImik.

“Indungna keur sediheuy, teu hadé tingcakakak!”Aya saurang nu ngelingan.

“Aéh heueuh nya,” ceukUdin nu milu ngariung BiIsom. Jep wéh jarempé.

“Jadi kitu wé nya MangTarju?” ceuk Udin deui.

“Naon téa?”“Paitkeun rencana urang

engké. Mun Si Obing wanciAsar can mulang kénéh,urang wajib nyusul, bébéja

waé heula ka RT."Panuju!” saur manuk.Waktu Asar nu didago-

dago ku in¬dungna jeungku pangeusi urang lemburCikahuripan, can jebulkénéh waé. Timbul kacuri-gaan ti urang Cikahuripan.Komo indungna mah geusnyangka nu lain-lain. Boa SiObing téh moal mulang,disumputkeun ku urangditu. Bi Isom kapaéhananagé aya sababaraha kalina.

Nu rék néangan kabéhlalaki nu geus aya umuran.Teu tinggal ti mawa bedogjeung obor. Mawa bedogkeur ngajaga. Obor mah bisikapeutingan balik, atawa jolka nu dijugjug geus poékmantén. Nu indit téh ayaduapuluh urangna. Ari tilembur Cikahuripan ka gu-nung Sayur teu jauh, ukurdua kilometer, tapi da lainnyorang jalan datar wung -kul. Pungkal-péngkol, nan-jak mudun loba nyorangrerembet. Diantara rom-bongan nu leutik keneh téhSi Arkan. Perelu keur tuduhjalan. Nepi ka nu dituju kirapukul lima. Kaayaan geusparoék, cahaya panon poékahalangan ku tatangkalangalede. Kapaksa beurangkéneh gé obor diseungeut.

Teu sirikna unggal nulegok disaksrak, diténjoan,tapi Si Obing teu panggih.Nya geus kitu mah mo hen-teu ngarendong di gunung,peuting éta kénéh marulangdeui ka lembur. Nu milu di-

Budak nu LeungitN. W. Galih

Manglé 2454 25

itung deui, jejeg euweuh nuleungit. Ngadéngé nu baralikka lembur bari teu mawa nuditéangan, keur Bi Isom mahkalah waé nambahankasedih.

’’Tong leutik hate Ibi,”ceuk Mang Tarju, ”boa SiObing téh teu nanaon jagjagkénéh. Aya keneh di ditu,ngan tadi mah teu kapang-gih sotéh diburu-buruhayang balik, bisi amprokjeung urang leuweung.Barabé. Keun isuk da rékditéangan deui. Inditna rékrebun-rebun pisan. Si Obingmoal teu kapahung, pohodeui jalan balik. Kapan digunung Sayur teh ngaritnamisah jeung Si Arkan dileukeunan, Si Obing mahrada ka beh tonggoh,deukeut anu loba dapurawina.”

“Teu diteangan ka lebahdinya Bi Isom maksakeunnanya, sorana gé peura balasceurik waé.

“Ih puguh wé ditéan-ganana mah. Tapi teu ka-panggihtolombong-tolombongnaacan,” ceuk Mang Tarju.

”Keun sugan isuk kapanggih.Ayeu mah ulah loba nudipikiran.”

Tengah peuting sora nungagero, Bi Isom. Soraanakna. Gentak Bi Iso hu-dang.

“Maneh, Obing balik?”ceuk Isom jung cengkatngadeukeutan panto dapur.

Di luar taya nu némbalan.Ngan angin nu ngagelebugnebak tatangkalan.,

“Ema, uing mah tongditeangan. Geus betah diditu. Obing moal balik deui.Ditéangan ge natambuh laku... ceuk sora tan katingalan.

"Naha Obing embungbalik?” Isom mana kawas nungomong sorangan.

”Da geus betah di ditu,Ema.”

”Luas temen ninggalkeunEma cunggelik sorangan.”

’’Kapaksa Ema.”Nu tas néangan anakna Bi

Isom di gunung Sayur geusbalik. Tapi Obin mah eu-weuh diantara manéhna. Nubalik katénjo bangun nulalungsé pisan. Nu hantemditéangan téh teu kapangih.Pagawéan asa tambuh.

Geus nyaho kitu mah, bu-dakna Bi Isom téh disebuthilang wéh. Poé éta dianggappoé sadugna manehna maot.

Bi Isom teu bisa kukuma -ha, sok sanajan sedihnanataku, ti dituna man tudabudak ngan hiji-hijna, beu-nang hayang, kari-kari aye-una ninggalkeun, sanggeustujuh taun salakina ning-galkeun ti heula, mulang kaalam kalanggengan.

Sabulan ti harita, dina hijipeuting Bi Isom ngimpi.Anakna datang, papakeansingsarwa alus, kulitnabodas beresih teu cara bi-asana, hideung balas ka-panasan waé, ngala suluhjeung ngarit.

“Hirup kénéh Ujang téh ?”ceuk Bi Isom bari ngusapansirah anakna.

“Jagjag kénéh, Ema.Kasep deuih ayeuna mahuing téh. Geura isuk teang...”

Rebun-rebun kénéh BiIsom geus hudang. Kebatngajugjug imahna RT.

Paralak ditepikeun eusiimpianana tadi peuting.Ketua RT teu kaleked tuluy

nyokot kohkol awi, ditakoldititirkeun. Teu lila geusngarumpul kolot di hareu -peun imahna RT.

Pok Kokolot RT ngabé-jakeun pamaksudanana.Pangna ngumpulkeunrebun-rebun téh. Wayahnasakali deui urang néanganjasadna budakna Bi Isom,pédah peuting kaimpikeunku idungna, ceuk Kokolot RTka nu aya di hareupeunana.

Teu ngéngkékeun deui, di-engké-engké mah kaburubeurang mantén ongkoh, ri-ungan bubar. Sawelas urangnu indit ka gunung téh.

Anjog ka gunung geusrada beurang. Mang Tarjunu keur tonggoy gasruk,handapeun dapuran awimanehna nénjo nu keursujud nyangigirkeun tolom-bong wadah jukut. MangTarju ngagebeg. Boa éta SiObing téh. Tapi, awaknageus tinggal rorongkong!Geus nyaho kitu mah kebatmanehna nyampeurkeunbaturna. Hariweusweus nye-butkeun geus manggihanbudak nu leungit tea.

Atuh rob baturna nu sapu-luh urang deui, dibarenganku Mang Tarju muru pa-panggihanana. Enya we, Ro-rongkong nu kasampak téh.Anéhna, teu kaambeu baubangké. Jeung deui ro-rongkong téh bisaan. Keursujud, leungeunna nukatuhu nyekel tolombong.Kersa ning Alloh Nu MahaKawasa!

Ti dinya mah duaan diti-tah mudun, ngabéjaan pulisidésa. Ngabéjaan kayaan nusabenerna.

Ti harita budak nu ngarittara wani-wani deui ulin kagunung Sayur. Nasibnasieun jiga Si Obing. Tongboro barudak, dalah kolot gélangka. Gunung ayur téhsanget kénéh, loba pangeusianu teu katenjo ku panonbiasa. Walohualam.***

Meunang dua poé di dinya téhsanggeus ngurilingan ka tem-pat-tempat wisata kayaning

Grand Palace anu matak hélok bakatingku alus jeung ahéng. Grand Palace téhistana raja jeung kuil anu kacida so-horna. Cenah mun datang ka Bangkokhenteu ka Grand Palace sarua baé jeungbohong da nya éta tempat anu jadipangjugjugan turis sadunya téh. Kitudeui atraksi jeung penangkaran buayaanu lega kacida. Nu matak hélok deuibaé mah aya tongtonan drama nu nyari-takeun peperangan ngalawan musuhbari tarunggang gajah. Lain hiji duagajah nu milu maén téh tapi loba, ayapuluhna dirarangkénan jeung didang-danan. Geus tamat lalakon, gajah téhbisa interaksi jeung nu lalajo, nahasasalaman atawa ditumpakan.

Bisa ogé ngahuapan gajah ku cau nuloba dijual di dinya; ngahaja keur parabgajah. Di urang ogé geus aya atraksigajah téh nyaéta di Way Kambas, Lam-pung nu disebut maénbal gajah. Nganhanjakal can dikokolakeun kalawan

daria. Mudah-mudahan kahareupnabias leuwih hadé da conto mah geus ayasaperti nu aya di Bangkok téa.

Poé katilu biur ka Phuket, daérahwisata nu aya wetaneun Bangkok, tem-pat wisata nu sohor di sisi basisir.Datang ka bandara téh lalakon sajamkana mobil rék ka kotakeun dimanahotél anu geus dipesen ayana. Kota leu-tik anu resik ayana sisi basisir. Isuk-isuknu diburu téh nya basisir téa da bisa kuleumpang. Sapanjang basisir ngajajarkorsi pantai anu kudu diséwa. Kuringmah jeung si Akang ukur ngabaseuhansuku baé ku cai laut bari ningalikeun ku-mang jeung haremis pating surungkuymun kaléléd ku ombak. Teu lila tambakawaranan baé tungtungna mah na -ngunjar dina korsi bari ningalikeunbarudak anu motah. Rupa-rupa hojahnatéh aya nu lumpat ka tengah mapagombak nu nyurungkuy, nu séjén nyieuniimahan tina keusik, ting jérété mun ayaombak nembrag téh komo basa aya lauksagedé dampal leungeun kokocépakankabawa ombak. Nu séjén nu leber

wawanén narumpak jetsky pating solo -yong neumbragan ombak, ku taya ka -sieun kasebut kakara henteu risi henteupaur. Kuring nu ningalina degdeganhariwang. Kitu sotéh budak nu lalaki, arinu awéwé mah teu wanieun kalahnaraék kana paraselling nyaéta parasiteanu ngawang-ngawang ditarik ku speed-boat ka tengah laut ngurilingan lelewekbasisir. Sanajan dibarengan ku pe-mandu di luhur teu wudu matak seberningali incu kakalayangan saperti kitubadis siga nu dirawu kélong. Teu lilaukur 15 menit geus turun deui teu wudumayarna 1200 bath, sarua jeung 350rébu rupiah.

Sapopoé éta mah ngulibek di dinyabari néangan oléh-oléh bawaeun ka lem-bur. Teu loba anu dibeuli lantaran apannu rék dibéré oléh-oléh ogé marilusaperti anak jeung incu. Tungtungnamah kukurilingan teu ngajajal kulinernu aya di dinya. Soréna kuring jeung siAkang mah ka basisir deui ngadonreureuh bari dipencétan ku ibu-ibu nuaya di dinya nu pacabakanana mémang

26 Manglé 2454

Ka Bangkok DeuiKu Nénéng Daningsih

Polu-polu kosong nu jadi tujuan wisata

Manglé 2454 27

mencetan turis. Ari barudak tinggejeburngarojay di hotél.

Isukna, isuk kénéh pisan geus disam-peur rék ka dermaga ferri nu rék mawarombongan ka hiji pulo. Di dinya ngaja-jar kapal-kapal feri rata-rata kapalnaara lus jeung beresih bleg baé siga kapalweuteuh mun henteu ningali karat tinaliang pamiceunan cai mah. Rata-ratakapal téh dua tingkat, di luhurna ayadeui balkon keur panumpang anu ha -yang laluasa ningali laut. Sapanjangjalan, kaliwatan pulo-pulo karang anutingpucunghul di tengah laut rupanaéndah pisan kaciri tapak leungeun ma -nusa da bararesih pisan. Kira-kira jambalayar, kapal téh muter ngurilingan hijipulo nu kawilang gedé. Ngan kaciri pulokosong da eweuh ciri-ciri kungsi dici -cing an. Di tengah laut kapal téh bongkarsauh reg eureun. Panumpang anu ayaratusana téh cug ceg marawa pelam-pung anu kakara dikaluarkeun ti gu-dang, kaasup anak minantu jeung incu.Maranéhna geus saged maraké baju re-nang jeung alat paragi snorkeling.

Maranéhna jlung-jleng ka laut ngaro-jay bareng jeung panumpang séjén. Ayaogé nu ngalungkeun roti ka laut. Kuringolohok bari ngajerit bakating ku reuwas,ti mana datangna éta lauk mangrébu-rébu nyorokcok kana roti nu di-alungkeun ka dinya. Aya nu ngalung keun persis ka istri-istri nu keur ngoyaj.Bereyek lauk téh ka dinya, gerewek pa -ting irihil, gétékeun, rupa-rupa lelewejeung kalakuan jalma-jalma téh tapikabéhana ogé galumbira. Sawatarapanumpang anu geus nyaho situasi didinya atawa bisa jadi awak kapalsawaréh ngarojay ka basisir pulo kosongngahaja mawa cau keur parab monyétanu teu nyaho ti mana datangna jolbereyek baé ningali aya nu datang téh.Kuring mah jeung panumpang nu hen-teu milu ancrub ka laut ningalikeun baédi balkon bari sidéngdang dina kisi-kisi.Kurang leuwih aya kana dua jamnahoréng sirine kapal disada tanda nu ngo-jay kudu geus hanjat.

Ti dinya kapal téh laju deui ngaliwatansababaraha hiji pulo karang nepi ka jlogka basisisr pasir putih, ngaliwatan der-maga pamayang, rentul kapal-kapal pa-mayang ngajajar diparkir di dinya. Didermaga éta ogé loba lauk siga nu tadikaciri pating soloyong kitu hirup bébas.Paingan da geuning aya aturan ti pa-maréntah yén lauk nu aya disabudeur -eun daérah wista mah teu meunangdiganggu. Pamayang téh tumut deuih da

maranéhna ogé boga pamadegan yénlamun lauk diala moal sabaraha harganadibandingkeun lamun dijadikeun objekturis nu bakal ngadatangkeun devisaanu lain lumayan. Sanggeus hanjat kadarat rombongan téh dibawa ka hijigedong sisi basisir dituang leueutkeunkalawan haratis, teu kudu mayar da geusasup kana paket tour. Tapi méméh tepika tempat tuang téh rombongan dibawangaliwatan ka pasar jeung toko-tokomaksudna mah méré kasempetan ka

rombongan bisi rék balanja heula.Jam opat soré mulang deui ka hotél.

Isukna biur ngapung ngawang-ngawangdeui balik ka Jakarta. Hanjakal kuringhenteu bisa méré gambaran ngeunaanbiaya anu kudu dikaluarkeun salilalalampahan, da sagala rupana diurus kuAsri anak kuring nu cikal. Kungsi di-tanyakeun sabaraha-sabarahana. Aripok téh, ah ema mah teu kedah terang,raoskeun waé lalampahanana.***

(réngsé)

Atraksi gajah Nong Nooh di Thailand

15 menit ongkosna 1200 bath

28 Manglé 2454

Pulitik Urang SundaKu Dede Mariana *)

Madungdengkeun pulitik urangSunda, kaitung gampang-gampangsusah. Gampangna, upama nu di-

maksud pulitik urang Sunda ngan saukurnataan sabaraha persen urang Sunda ilu -biung dina urusan pulitik dina harti meresora waktu aya kagiatan pemilihan umum,boh pemilu calon legislatif boh pemilu milihcalon presiden atawa milih calon gupernuratawa bupati/walikota, katingalna mah dinalebah urusan ieu urang sunda kaasup nupanghagetna ilubiung mere sora. Naha kualatan memang sadar politik (partisipatif)atawa ku alatan dikukuprak (mobilisasi).

Susahna, upama nu dimaksud pulitikurang Sunda dipakuat-pakaitkeun jeung uru-san sual kualitas urang Sunda dina kamam-puhna ngokolakeun urusan-urusan balarea(publik) nu jadi tanggungjawabna boh dinakonteks mun urang Sunda meunang jabatanpublik, upamana jadi pupuhu pamarenta-han, pupuhu di birokrasi pamarentahan,atawa jadi pupuhu partai politik nu ayapatalina jeung urusan-urusan kamaslahatanbalarena (publik). Dina lebah dieu, katinga -lina boh kuantitas, oge kualitas masih kududitalungtik kalayan imeut. Tah palebah dieukatingalna asa can aya hasil panalungtikannu soson-soson tur jinek, jiga kumaha saben-erna peran pulitik urang Sunda boh dinakahirupan balarea (publik) di tataran (skope)nasional oge dina tataran lokal. Nya munukur sawangan saliwatan dina harti lain hasilpanalungtikan nu mangtaun-taun kontinyujeung sagemblengna/menyeluruh (holistik)nepi ka bisa dipetakeun oge dipolakeun jigakumaha ketak jeung peran pulitik urangSunda, tangtu aya oge bahan-bahanna atawapanyawangna, saperti nu kantos diguar kuKang Ajip Rosidi upamana dina buku “Kan-jut Kundang” atawa “Ayang-ayang Gung” soksanajan teu dipimaksud mangrupa esey-eseypulitik, tapi upami nitenan sababaraha esey-na aya oge nu mangrupa gambaran nu ayapatula patalina jeung urusan pulitik urangSunda dina entragan taun lima puluhan. Oge,kadieunakeun mah kolom-kolom nu ditulisku kang Karno Kartadibrata di majalahMang le (Bale Bandung) , aya oge nu masu-alkeun urusan pulitik urang Sunda.

Upama watesan pulitik teh hal ihwal nuaya pakuat pakaitna jeung ngurus nagaraatawa daerah otonom, atawa urusan-urusanbalarea (publik), atawa ihwal nyieun kawi-jakan umum keur balarea (kebijakan publik),

tangtu upama ditingal tina jumlah (kuanti-tas) urang Sunda katingalina mah aya on-joyna. Minimal mun urang nitenan jumlahbupati/walikota di tatar Sunda boh nu aya diprovinsi Jawa Barat ( nu ngawengku 27kab/kota) jeung provinsi banten (7 kab/kota)dijumlah-jumleh aya kana 34 kabupaten/kota, jeung 2 gupernur/wakil gupernur.Encan, jumlah birokratna nu nyekel jabatanstruktural sok sanajan memang aya kar-ingrang, naha nu dipimaksud istilah “Sunda”di dieu nunjuk kana kategori “etnis-genealo-gis” atawa nunjuk kana kategori “kultur”.Ihwal ieu, saenyana dina mangsa ahir taun90an awal taun 2000an kungsi aya dialog nudijejeran dialog Sunda 2010 jeung dialogJawa Barat 2010, nu eusina mangrupa ihtiarnyusun “Skenario Planning” atawa “Raran-cang Skenario” Sunda jeung Jawa Baratnyanghareupan taun 2010, nu eusina di-antarana wae nyieun kategori padumukwilayah tatar sunda nu harita mah aya dinacakupan provinsi jawa barat, diasumsikeundieusi ku padumuk etnik sunda biologis-ge-nealogis nyaeta kategori Sunda Pituin, jeungpadumuk di luar kategori eta nu disebutSunda Mukimin (Pendatang). Mung bohsunda pituin boh mukimin, dipiharep apaltur bisa mraktekkeun oge jauh na katalian kuajen inajen kasundaan (kultur sunda). Waktuharita, wilayah tatar Sunda diwengku kuayana tilu subkultur (numutkeun hasilpanalungtikan Lembaga Kebudayaan Unpadjeung Pemda Jawa Barat harita) nyaeta sub-kultur Sunda-Banten (provinsi Banten ki-wari), Sunda-Priangan, jeung Sunda-Cirebon. Ku misahna subkultur Sunda-Ban-ten jadi Provinsi Banten kiwari, ProvinsiJawa Barat kiwari, numutkeun pihak pa-marentah Provinsi Jawa Barat oge dipe -takeun jadi tilu subkultur nyaeta:

Sun da-Priangan, Sunda-Cirebon, jeungSunda-Kamalayon/Batawi (wilayah Depok,Bogor, jeung Bekasi). Tangtu, upayametakeun subkultur saenyana kuduna mahhasil panalungtikan nu imeut.

Jiga kumaha kualitas kapamingpinanurang nu nyangking jadi gupernur, bupati,walikota oge pingpinan jeung anggota DPRDdi provinsi sewing-sewangan jeung kabu-paten/kota di tatar sunda? Tinangtu urangtiasa ngabandungan sorangan. Ngan munngeker-ngeker kana hasil panilik ti lembagalitbang media publik saperti Tempo jeunglianna, asa can kacatur aya kepala pa-

marentahan di tatar Sunda nu dianggap pi -nunjul, dina harti picontoeun keur level na-sional. Duka memang teu aya, duka memangteu kapeunteun. Tangtu perlu jadi perhatianurang sarerea. Ngan mun dina urusan meu-nang pangleler penghargaan ti pamarentahatasan mah tinangtu kurang kabandungan,aya sababaraha nu bisa disebutkeun di-antarana gupernur Jawa Barat ayeunaAhmad Heryawan kacatur remen narimapangajen/panghargaan aya kana ratusna tipamarentah pusat ti mimiti ngajabat periodemunggaran taun 2008 tug ka kiwari. Kitudeui sababaraha walikota/bupati di tatarSunda, saperti bupati Karawang, walikotaSukabumi, walikota Bandung, walikota Ban-jar, jeung bupati Sukabumi. Ngan hanjakalnasababaraha urang diantarana di ahir ja-batanna boga urusan jeung sual hukum/ung-gah bale watangan. Ieu gambaran kahirupanpulitik nu disebut suprastruktur pulitik.

Kumaha ari kahirupan infrastruktur puli-tik, nyaeta kahirupan pulitik di masyarakatboh di partai politik atawa di lembaga-lem-baga kamasarakatan. Katingalna mah urangSunda pituin teu pati loba nu ilubiung dinakapangurusan partai pulitik utamana nujaradi ketua partai pulitik. Naon sababnatangtu perlu ditalungtik kalayan imeut.

Kumaha Carana Masarakat TatarSunda Ngigelan Kaayaan PulitikJaman kiwari ?

Sok sanajan ngan ukur dititen ku saliwatankatingalina masarakat tatar Sunda dinangigelan kaayaan pulitik jaman kiwari, uta-mana dina nu disebut jaman otonomi daerahteu leuwih onjoy batan sekeseler lianna diwewengkon propinsi nu aya di Indonesia.Pikeun sekeseler lianna katingalina eraotonomi daerah dimangpaatkeun pisanpikeun ngamajukeun kabudayaan katut sa-puratina, upamana wae ku jalan ngoko-lakeun potensi budaya jeung ekonomi nudipimilikna. Dina era otonomi daerah di tatarSunda, nu katingali aya hojah mah ukur diwewengkon tatar Sunda Banten nu bogaalpukah ngadegkeun wewengkon Banten jadipropinsi nu mandiri leupas ti wilayahadminis tratip pamarentahan Propinsi JawaBarat. Sok sanajan dina awal na mahngadegna Provinsi Banten ngundang projeung kontra, utamana dikalangan para gege-den pamarentahan Provinsi Jawa Barat katutpara tokoh kasundaan harita, kurang leuwih

Manglé 2454 29

dina taun 1998-1999an. Tapi dina ahirnamah di taun 2000an ngadeg oge ProvinsiBanten nu mangrupa sempalan ti we -wengkon Propinsi Jawa Barat. SabadanaBanten ngadeg propinsi, nu mangrupapropinsi munggaran nu dijieun di era repor-masi (sabada runtagna pamarentahan Soe-harto), tidinya jlug jleg tingpucunghulpropinsi-propinsi anyar di wilayah NKRI ,upamana: Propinsi Bangka Belitung, RiauKepulauan, Sulawesi Barat, Maluku Utara,Papua Barat, jeung nu karek dibentuk nyaetaKalimantan Utara. Jumlah propinsi di Indo -nesia sabada repormasi aya kana 34 Pro -pinsina. Kitu deui jumlah kabupaten/kotanambahan, nepi ka leuwih kurang aya 530 nasa Indonesia. Tah di Propinsi Jawa Baratmah kakara nambahan dua kabupaten,nyaeta Kabupaten Bandung Barat jeungKabupaten Pangandaran.

Palebah dieu katingal pisan kahengkeranmasarakat Sunda katut para elit pulitiknadina nyanghareupan parobahan pulitik di In-donesia. Katingalina mun teu disebut apatisatawa teu pati paduli, nya meureunan kurangsoson-soson. Tah naon nu jadi sababna,tangtu perlu ditalungtik kalayan imeut. Nahaku alatan, aya rasa trauma/bangbaungeun kukajadian samemehna, upamana ku ayana ka-jadian di taun 1950an di tatar Sunda, bohurusan kajadian ayana gorombolan DI/TII,boh ku urusan tudingan urang Sunda provin-sialistik, atawa ku diculikna nepi kadite-lasanna pa Oto Iskandar Di Nata, jeungsajabana nu natrat keneh dina kahirupanurang Sunda, boh dikalangan masarakatnaoge dikalangan para elitna.Atawa ku pertim-bangan da wewengkon Jawa Barat mahdeukeut pisan ka pusat kakawasaan Jakarta,ibukota NKRI. Jadi naon perluna mer-hatikeun lembur sorangan, da teu diurus gebakal diurus ku pamarentah pusat. Tah dinalebah dieu bedana jeung kaayaan weweng -kon sejen dina asup kana era otonomi daerahteh. Katingalna maranehna mah leuwihsoson-soson, utamana dina merjoangkeunkapentingan-kapentingan di wewengkonna,boh dina ngokolakeun sumberdaya manusana boh dina ngokolakeun sumberdayaalamna. Nu muarana pikeun kamamurankatut karaharjaan wewengkonna.

Tah dina lebah dieu mah katingalina,urang Sunda rada hengker mun teu dise-butkeun teu pati malire kana nu disebutkapentingan-kapentingan balarea di tatarSunda, boh di lepel propinsi boh di lepelkabupaten/kota, boh nu aya patula-patalinajeung sual sumberdaya manusa na atawa nuaya patula patalina jeung sumberdayaalamna. Nu pamustunganna, sok sanajanurang Sunda jareneng jadi Kepala Daerah,katingalina mah teu pati apaleun naon nukudu dipigawe pikeun karaharjaan masara -kat katut alamna di tatar Sunda.Memangbener maranehna teh jaradi pejabat publikformal di pamarentahan, tapi katingalina teupati apaleun naon nu diperjoangkeun pikeunkamajuan masarakat katut alam tatar sunda.Da sabab teu apaleun naon nu disebut

kapentingan-kapentingan kasundaan katutkabudayaan Sunda. Tah ieu pisan nu sate-menna kudu dipalikiran ku para elit Sundamodern utamana nu aya di pamarentahanboh di lembaga perwakilan rakyat, atawa dieksekutipna, oge di birokrasina. Da arisakumna masarakat Sunda mah pastina gebakal milu naluturkeun.

Mun ceuk paelmuan pulitik mah, budayapulitik masarakat Sunda boh somahna bohelitna katingalna masih hengker keneh ayadiantara budaya pulitik parokial, nyang-gakeun sadaya-daya kumaha nu mingpinwae. Atawa aya dina budaya pulitik kaula, nusipat hubunganna “patron-client”, hubunganantara “dunungan jeung bawahan”, somah-cacah jeung juragan. Jadi peodalistik pisan.Encan asup kana budaya pulitik “partisipan”,nyaeta budaya pulitik otonom tur mandiri.Tangtuna, situasi ieu aya patula-patalinajeung situasi atikan pormal rata-ratamasarakat Jawa Barat kiwari nu ngan ukurleuwih kurang 7,8 taun. Hartina SMP oge teutamat. Memang sabagian, elit na mah rata-rata tamat SMA nepi ka Sarjana, malah ayaoge nu Pascasarjana. Mung katingalna teumalire atawa teu “peka” kana kaayaan. Nyaieu ge jadi mamala, atikan luhur tapi teu apalkana naon nu diperlukeun ku masarakatkatut wewengkonna.Naha ieu teh akibat ka-gagalan kawijakan atawa memang alamiahwae? Atawa ku akibat mentalitas “terjajah”atawa ku akibat teu hadena atikan? Tang-tuna hal ieu katingalina perlu ditalungtikkalayan imeut. Mun dina paelmuan mah, nudisebut studi-studi post kolonial kacida pen -tingna, sabab bisa dipake “mesek” naonsababna hiji bangsa nu kungsi dijajah aya numaju jeung nu lianna tetep wae taya kama-juanna. Sipat-sipat Urang Sunda di DunyaPulitik Sipat urang Sunda dina dunya pulitiknu umum katingalina aya sipat “elehan –kalah – losser”. Sipat nu tangtu matakngarugikeun. Aya oge sipat “ngelehan – men-galah”, nyaeta sipat pura-pura eleh ngan ayamaksud leuwih jauh neundeun pimeu-nangeun dina jangka panjang. Ku kituna,sabenerna diperlukeun sipat “patarung –petarung – fighter” nu kudu dipibogamasarakat Sunda, utamanana kalanganelitna, boh elit politik atawa elit ekonomina.Di kalangan sakumna masarakat perludimekarkeun sikep jadi “pengikut –follower(ship)- kepengikutan” nu hade salaku “warganegara – civic” nu paripurna, nyaeta warga –kawargaan (citizenship) nu kritis, nu nyahohak jeung kawajiban salaku warga (nagara)dina ngokolakeun kahirupan sapopoe warganagara. Warga nu kieu nu diperlukeunpikeun kamajuan bangsa kahareupna, bohdina harti bangsa (nation) kum na boh keurkamajuan sekeseler bangsa.

Katingalina, pamingpin kudu cageur,bageur, bener, pinter, tur singer ulah ngansaukur dina babasan wungkul, tapi kudu jadiajen inajen atawa nilei-niley nu bisa diajarkeun, dipahamkeun, tur nepi ka bisadipraktekeunna dina kahirupan sapopoe.Jadi, urang sarerea kudu bisa ihtiar sangkan

aya pamingpin atawa rayat/”pengikut” nupasipatanana nyoko kana ajen inajen eta.Mun ieu bisa diwujudkeun, tangtuna bakaljadi “role model”, model picontoeun. Jadilain ngan ukur aya dina babasaan wungkul.

Tangtuna masih loba sipat-sipat positip nubisa dimekarkeun tina “babasan” atawa “ajeninajen” boh nu sumberna ti naskah-naskahkuno boh nu lahir akibat kuayana patali-marga kabudayaan jeung paradaban, uta-mana budaya jeung paradaban gede dunia,upamana: Islam jeung Barat oge paradabanmangsa-mangsa saacanna, saperti mangsaHindu, Budha, pra-Hindu Budha, jeung an-imismeu. Pikeun kaperluan ieu kacida alusnalamun urang bisa nalungtik hal eta kalayanimeut tur gemet. Nepi ka bisa mere interpre-tasi anyar pikeun kahirupan kiwari jeung ka-hareupna keur kamajuan jeung kamas lahatan masarakat Sunda katut budayana.

Tokoh-tokoh Urang SundaSaha wae para inohong atawa tokoh-tokoh

Sunda nu bisa dipiconto, dijadikeun “rolemodel” pikeun urang Sunda nu rek ilubiungdina widang pulitik atawa lianna. Hal ieu,kungsi aya buku nu ngamuat 100 tokohSunda nu dipedalkeun penerbit Kiblat,jasana kang Ajip Rosidi. Kacida pisan alusnamun aya nu nuluykeun, nepi ka bisa jadi“data based” pikeun urang Sunda. Ceuk ku -ring aya sababaraha tokoh nu pinunjul dinapajamananana, diantarana: Panghulu HajiHasan Mustafa; Dr. Husen Djajadiningrat(Sunda-Banten), dr. Djundjunan, Otto Iskan-dar Di Nata, Sutisna Sendjaja, Didi Kartasas-mita, Sukanda Bratamanggala, Ir. H.Djuanda, Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja,SH., LLM., Prof. Dr. Ginanjar Kartasasmita,Ajip Rosidi, Ali Sadikin, Solihin GP, jeungTjetje Hidayat Padmadinata. Nu masing-masing boga kamampuh dina widangnasewing-sewangan. Jeung tangtuna bisa di-jadikeun role model. Naon wae ketakna jeungkumaha kontribusina dina kahirupanmasarakat jeung budaya Sunda, sabageangeus aya nu di bukukeun jeung sabagean deuitacan dituliskeun mangrupa buku. Kacidapisan hadena lamun aya ihtiar nuliskeun ri-wayat masing-masing eta para tokoh teh,pikeun picontoeun atawa role model tea.

PanutupMadungdengkeun kahirupan pulitik urang

Sunda nu dumasar kana hasil panalungk-tikan nu daria, tinangtu hade pisan jeungkudu jadi prioritas pikeun kahareupna.Kahirupan pulitik urang Sunda moal bisa di-wilah-wilah tina kahirupan budayana. Ku ki-tuna pamiangan nyawalakeun kahirupanpulitik urang Sunda hadena dimimitian tinamadungdengkeun kahirupan masarakatSunda tur budayana. Cag.***

Bahan ditepikeun dina KeurseusDasar Kabudayaan Sunda (KDKS) diUnpad Bandung, 26 Nopember 2013

*) Guru Besar Elmu Pamarentahan Uni-versitas Padjadjaran.

Réisha Putri Anggraéni Adi-adi, nepangkeun heula ah, nami lengkepna Réisha Putri Anggraéni. Putri pasangan Bapa Wawan Setiawan sarengIbu Réni Anggraéni ieu dibabarkeun di Bandung, ping 16 Maret 2013. Alit kénéh nya? Teu acan ditaros cita-citana, tapi

nu janten pangharepan Ibu Ramana mah, mugia Néng Réisha upami tos ageung, tiasa janten dokter. Du’akeun kuurang sadayana, mugia cita-citana sobat alit urang anu bumina di Kp. Jati Baru RT. 03/RW. 07, Désa Jati Éndah, Kec.

Ciléngkrang, Kab. Bandung ieu, tiasa tinekanan. Amin***

Manglé 2454 31

Abdi téh resep pisan kanangagambar. Padahal basaIbu nuju alit, ngagambarna

téh awon Ibu mah, teu tiasaeun. Ka-pungkur waktos Ibu nuju kelas 4 SD,kantos digumujengkeun ku Nini,pédah piwarang ngagambar kudatapi bet jiga tarabakang saurna téh.Abdi teu terang naon ari tarabakangtéh, tapi saur Nini mah éta téh jenislauk. Karesep abdi kana ngagambar,ngawitan ti nuju alit. Ayah sok seringmangmésérkeun buku mewarnai.Tina mewarnai, abdi ngawitan resepniron gambar naon waé anu kati -ngali. Upamina waé aya sampulbuku tulis anu gambarna lucu, sa -pertos hélo kiti, bérbi, donal bébék,abdi mah sok resep niron. Bariningali gambar-gambar éta abdingagambar dina buku gambar.

“Nyai....geuning gambar kéngingniron téh jariga,” saur Ibu dina hijidinten.

“Keresa upami ku Ibu, Nyai dilés -keun ngagambar. Ibu kenal ka BapaAjri, pami palay Ibu badé ngobrol kaBapa Ajri, nya?” saur Ibu deui.

Harita téh abdi nuju kelas hiji.Margi sajabi ti abdi aya ogé rérén-cangan anu sami ngiring lés di BapaAjri, abdi keresa lés. Unggal dintenMinggu sonten, abdi lés di bumi Ajri.Bapa Ajri téh kuliahna sami sarengIbu kapungkur, tapi Ibu mah juru-san bahasa, Bapa Ajri mah senirupa.

Ngawitan mah lés téh dianteur kuIbu, bari ngasuh Dé Jati. Tapi lami-lami mah, margi Dé Jati sakapeungsok ngaganggu atanapi ngangajakwaé uih, terasna mah abdi lésnyalira. Ngawitan mah dijajapkeunku Ibu, teras ditungguan dugi kabérés. Lami-lami dijajap wungkul,

teras Ibu uih sareng Dé Jati, upamikinten-kinten waktosna bérés, Ibumapagkeun deui. Tapi lami-lamipisan mah abdi mios sareng uihnaogé sok nyalira. Éh, henteu nyalira,kétang.....sok sareng Mas Bagas,kelas opat tatanggi abdi nu sarenglésna téa.

Kénging ngagambar téh ku Ibusok dipiguraan, ditapelkeun dinatémbok di téras. Lumayan anu di-tapelkeun wungkul aya kana sapu-luh pigurana.

Padahal mah ngaga mbar téhnembé dugi ka nganggo krayon, tapiari dirarapih mah katingalna saper-tos nganggo cat air.

Hanjakal pisan, abdi teu tiasateras lés di Bapa Ajri téh. Margi an-

jeunna neraskeun deui kuliah. Aribadé lés di tempat anu tebih, Ibu teuacan tiasa nganteur, margi Ibu di-damel. Aya jadwal anu Ibu tiasanganteur, béntrok sareng jadwalngaos abdi.

Mudah-mudahan ka payun mahabdi, Mas Bagas sareng nu sanéstiasa neraskeun deui lés. Saur Ibu,sakola Bapa Ajrina ogé tos lulus, atosdiwisuda.***

Kintunan: SurtikantiKelas 4 SDNSéképeuris 2

Désa Sukamukti –Kec. Katapang

Kabupatén Bandung40971

Carpon Manglé Alit

Diajar Ngagambar

Urang Teguh Yuu!

Musuh bubuyutan ucingHampang birit uclang-acleng

Naon cing? ***(Shéila - Bandung)

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulahhilap ditémpélan kupon UTY no. 1245. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl.Lodaya No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos

medal.Jawaban UTY No. 1242

Nu leres : Lebaran Haji/Hari Raya Qur’ban

Nu kénging hadiahna: 1.Sri Wahyuni

Saluyu 135 - Bandung 402652.Dadang Nurjaman

Jl. Jend. Ibrahim Adjie No 426 B

3. Didi SetiadiCinunuk Rt. 03 Rw. 5

Manglayang-Kabupaten Bandung

UTY no. 1245

Manglé 245432

33Manglé 2454 33

34 Manglé 2454

mah.”Tapi Ésih mah henteu

inget ka Kémod anu sabulankatukang mutuskeun. Êsihmah inget ka Duyéh anuayeuna duka aya di mana.Unggal neuteup girimis,lamunan Ésih ngagambaradegan-adegan mangsababarengan jeung Duyéh.

Enya, Duyéh téh ngaleu -ngit sabada papisah harita.Tapi Ésih masih mindengmaca karanganana dinakoran atawa majalah. Sajakatawa carponna sakapeungmasih ngeunaan kakangenanu ditujukeun keur Êsih.Ésih teu bisa ngarti, nahaaya cinta anu terus ngaran-dakah jeung kembangansabada henteu dilayanan kuanu dipicintana? Êsih teubisa bohong. Sakapeungbasa maca sajak anu ditu-jukeun keur manéhna, ayaanu gumeter dina haténa.Inget deui kumaha teupuguh rasana mangsa ayaanu nyelapkeun ermawardina buukna. Tapi gancangdisieuhkeun ku pikiranwaras, hirup mah henteubisa ngagugulung rasa anuanéh samodél kitu.

Enya, cinta téh meureunpanganéhna dina hirupmanusa. Kayakinan yénharta bakal jadi pondasi anuweweg pikeun cinta, ancurburakrakan sabada seringdinyerikeun ku Kémod.Matéri téh jadi hinis anumatak nyeuit jeung peurih.Unggal aya kateupanuju,Kémod mah gampang nye-but Ésih matérialistis,awéwé murahan bisadibeuli ku béngsin, nukeurcinta ku jalan-jalan, jeungréa deui babasan anunganyerikeun.

Ésih tangtu waé nyeri haté.Matéri téh meureun perlukeur ngabina cinta, tapi lainhartina cinta moal langgengtanpa matéri. Da cinta anu

ngagalura mah bisa nyu-mangetan pikeun néangmatéri anu sakumaha lobanaogé. Ari matéri, sakumahalobana oge, henteu bisa nu-muwuhkeun cinta. Ku ki-tuna, lamun ningali lalakianu pamér kakayaan pikeunmikat wanoja, nyel wé Êsihsok sebel. Enya, si wanoja tehbakal gampang katarik, tapilain ku cintana.

Lantaran éta, Ésih ingetwaé ka Duyéh. Duyéh mahsanggup miara cinta anu di-rasakeunana. Meureunenya, ceuk pamikir Ésih,pananya anu paling ngele -terkeun haté awéwé basaditanya kasanggupananamiara jeung ngipuk cintahiji lalaki.

**“Cik, kumaha sikep

Dédah lamun lalaki implen-gan anu jauh bakal datangka kota ieu?” ceuk Êsih kaDédah.

“Dédah mah bakal nung-guan di téras, unggal poé.”

Tapi Ésih mah henteunungguan. Basa di koran di-tulis berita yén Duyéh bakalmacakeun sajak-sajakna digedung kesenian, Ésih nga-haja lalajo. Sabada acaramaca sajak réngsé, Ésihnyérangkeun Duyéh diri-ung-riung ku mahasiswa-mahasiswi anyar,sobat-sobatna, jeung anuresep kana sajak-sajakna.Sanggeus di luar gedung,Ésih nyolongkrong ngajaksasalaman ngawilu-jengkeun. Duyéh neuteupsakedapan, siga anu henteupercaya, terus imutnangembang eros.

“Masih émut ka abdi?”ceuk Ésih. Peuting aya kulénglang. Bulan mabra.

“Akang mah moal bisahilap sigana, nepi ka irahaogé.”

Ésih imut. Bari dina

haténa aya anu ngeleter. Raska mangsa kaliwat, basa rasacinta diungkarakeun kusajak, carpon, teuteup, lagu,jeung perhatian.

“Di kota ieu, sagalanangan ngingetkeun ka an-jeun, Sih.”

“Ogé implengan bumisederhana anu di buruanpengkerna aya taman?”

Duyéh neuteup Êsih.“Ogé implengan

nyérangkeun barudak anungungudag kukupu?”

Duyéh ngarahuh. “Ogé implengan hiji lalaki

anu macakeun sajak-sajakcinta, nyelapkeun kembangermawar dina rambut hijimojang?”

“Sagalana ngeunaan an-jeun jadi abadi, Sih.Sagalana tetep hirup dinapanineungan.”

Angin ngahiliwir. Seungitsedep malem nyambuang,duka lebah manamangkakna.

“Lamun aya wanoja anukeresa jadi bagian tina im-plengan tadi, jadi indungpikeun barudak anu ngun-gudag kukupu, naha Akangmoal incah deui ti kota ieu?”

Duyéh nyawang bulananu mabra di langit lega.Harita téh Duyéh jeung Êsihleumpang ka tempat in-dekos Ésih. Rada anggangsaenyana, tapi duananaharayang badarat bari nya-capkeun kasono.

“Atawa Akang mah nujungimpleng sapertos angin,terus ngumbara, bari milarianu boa iraha kapendakna.”

Duyéh imut. “Unggal anungumbara pasti ngimplengtempat pangreureuhan, Sih,di mana ogé tempatna.”

“Akang teu ngimplengkota ieu jadi tempat pang -reureuhan?”

“Baréto mah enya. Basaaya hiji wanoja anu ceukrarasaan bakal sanggup jadipangreureuhan haté anucapé. Tapi éta wanoja téhterusna jadi impian. Impian

anu éndah, tapi henteupikeun dilakonan.”

Ésih neuteup Duyéh ayaku teleb. Lalaki anu sanggupngeleterkeun haté tapi dito-lak pikiran jeung kayaki-nanana téh, enya siga anuleuwih koloteun ayeunamah, leuwih wijaksana.

“Kang,” ceuk Ésih baringarandeg sakedapan.Duyéh ngilu eureun. Êsihngarahuh. Pokna sanggeussababaraha lila, “Ésih sang-gup jadi wanoja anu ayadina implengan Akang,wanoja anu rambutna dise-lapan kembang, anu nga-baturan nyérangkeunbarudak ngungudagkukupu, anu....”

Duyéh gogodeg. “Anjeunmah apan impian, Sih,”ceuk Duyéh. “Lamunimpian hayang tetep éndah,entong dilakonan. Di alamnyata, di alam lalakon,Akang tetep teu bisa narimaputusan anjeun baheula.Butuh waktu jeung ujianpikeun percaya deui ka an-jeun. Lantaran éta, anjeunmah tetep jadi impian.”

Ésih henteu némbalandeui. Aya ku pabaliut pikiranpanyajak. Atawa pikiranmanéhna anu pabaliut, anunyababkeun rasa téh jadimancawura henteu puguh.Ésih henteu terang, nahamanéhna kudu sedih atawagumbira basa Duyéh amitan,nyelapkeun kembang érma -war kana buukna, ngesunpipina, bari pokna, “Anjeuntéh béntang di langit impianAkang, Sih.”

Ésih ngadégdég ningaliDuyéh ngaléngkah nga-jauhan. Kakara sadar Êsih,anu salila ieu dipisono kumanéhna téh rasa anu nyak-srak saawak-awak. Cinta,enya-enya anéh jeung hen-teu kaharti. Meureun enya,cinta mah saukur impian,saukur riwan dina hirupmanusa. ****

Nopember 2013, Tanjungsari

Sambungan ti kaca 23

Manglé 2454 35

Pamarentah kota Bandung, PDAM,budayawan, LSM jeung masarakatbakal babarengan ngakampanye -

keun tekad nalingakeun cai bersih dinararaga mulangkeun deui pungsi cai dinaprogram “Walungan, Jalan Cai Wadah Cai.”Luyu jeung kagiatan nu kungsi digelar ka-mari ieu dina saresehan nu jejerna “Meng-gali Kembali Fungsi Walungan, Jalan CaiWadah Cai.”

Nurutkeun budayawan Aat Suratin salahsahiji alternatif utama dina sasadiaan caibaku di kota Bandung téh nyaeta walungan.Tapi kiwari walungan di Bandung sapertiCikapundung geus jadi tempat pamiceunancai limbah jeung runtah anu asalna ti pad-umukan warga jeung industri di sapanjangwalungan. Kukituna Aat miharep sangkanwalungan ieu téh bisa dipulangkeun deuipungsina jadi wadah cai anu bisa dikon-sumsi sapopoe.

Direktur Air Minum PDAM TirtaweningBandung, Ir .H. Tardan Setiawan nge-ceskeun yen sasadiaan cai baku di Bandunggeus nyirorot, boh sacara kuantitas atawatina kualitas.

“Hal ieu téh balukar tina situasi alam,parobahan iklim sareng utamina perilakuatanapi kabiasaan masarakat anu tos ka-jongjonan ngotoran walungan padahal ieutéh sumber cai baku,” ceuk Tardan.

Ningali pentingna dina ngaronjatkeunkualitas jeung kuantitas cai walungan dikota Bandung, elemen-elemen masarakatgeus waktuna ngagelar “aksi bersama”.

“Gerakan ieu teu tiasa sewang-sewangan,kedah aya gerakan parobahan kanggo Ban-dung kapayunna supados langkung diper-hatoskeun masalah cai bersih teh, dina halieu tarekah nyalametkeun cai bersih di Ban-

dung,” Dodit Ardian Pancapana, KepalaBidang Perumahan Distarcip pojka AMPLKota Bandung netelakeun.

Tujuan utama dina kagiatan ieu nyaetaajakan keur sakabeh warga Bandungsangkan bisa babarenganmiara walunganminangka bagean tina tarekah nga-mankeun sumber “air minum”. “Parobahanperilaku sanitasi, warga sareng industri tingawitan hulu dugi ka hilir nyaeta kunci “airminum sehat dan aman,” ceuk Ir. Muham-mad Satori, MT , Ketua Forum Gemricik(Gerakan Masyarakat Cinta Cikapundung).

Kagiatan Sarasehan jeung Dialog BudayaBandung dihadiran ku rupa-rupa aktivitasmasarakat saperti kukuyaan (bersih walun-gan), pentas media rayat, pameran, lombatradisional, jeung hiburan. Lian ti dihadiranlangsung ku Walikota Bandung, RidwanKamil, sajumlah budayawan jeung inohongmasarakat anu milu ngarojong kagitan ieunyaeta Aat Suratin, Tisna Sanjaya, jeungFarhan. Kagiatan ieu digelar ku alpukahnaPokja AMPL Nasional jeung pamarentahkota Bandung, PDAM Tirtawening, Komu-nitas Gerakan Masyarakat Cinta Cikapun-dung (Gemricik) jeung sajumlah komunitasti Cidurian, Cicadas.

Di tingkat puseur, tarekah nungkulanpangamanan cai dilaksanakeun salah sahi-jina ngaliwatan gawe bareng KementerianPerencanaan Pembangunan Nasional (Bap-penas) nu boga Pokja AMPL Nasional,babarengan jeung Waspola Facility jeungPokja AMPL Kota Bandung dina programuji coba Rencana Pengamanan Air Minum(RPAM) di kota Bandung. Kagiatan Sarase-han jeung Dialog Budaya Bandung digelarminangka salah sahiji kagiatan kampanyepublik jeung kasadaran masarakat dina

ngawujudkeun walungan minangka sum-ber cai anu bersih.

Program RPAM mangrupa programpangamanan pasokan cai inum anungawengku pananganan di sumber cai nepika keran cai di di unggal imah. SasaranRPAM nyaeta mastikeun kualitas, kuanti-tas, kontinyuitas jeung nepina cai bersihkeur masarakat.

Pokja AMPLKelompok Kerja Air Minum dan Penye-

hatan Lingkungan (Pokja AMPL) Nasionaldiadegkeun taun 1997 nu tujuanana pikeunngaronjatkeun koordinasi antar lembagapamarentah palaku pangwangunan caiinum jeung sanitasi, dimana kaang-gotaanana aya salapan instansi pamarentahnyaeta: Kementerian PPN/Badan Peren-canaan Pembangunan Nasional (Bappe-nas), Kementerian Pekerjaan Umum,Kementerian Kesehatan, KementerianDalam Negeri, Kementerian Keuangan, Ke-menterian Lingkungan Hidup, Kementer-ian Perumahan Rakyat, KementerianPerindustrian, jeung Badan Pusat Statistik.

Pancen utama Pokja AMPL ti mimiti nyi-apkeun kabijakan, strategi jeung programpangwangunan AMPL, ngayakeun koordi-nasi antar rupa-rupa kagiatan tina tiap in-stansi, ngawangun kamitraan jeungstakeholders AMPL sejenna sarta opera-sionalisasi Kabijakan Nasional AMPL-BM,nyebarkeun informasi AMPL pikeun nerap-keun pamahaman jeung kapadulianmasarakat, advokasi jeung sosialisasi kabi-jakan, sarta mere rupa-rupa bantuan teknisdina wangun advokasi, pelatihan, penyu -sunan petunjuk jeung program sejenna.***

(AS)

Walungan Lain Ukur Jalan Cai

Muhammad Farhan (moderator), Aat Suratin (Budayawan), Tisna Sanjaya (Budayawan) jeung H. Ridwan Kamil (Walikota Bandung).

36 Manglé 2454

Museum, salasahiji daya tarikwisata. Salian ti éta, museummangrupa salasahiji lembaga

pendidikan, pusat kabudayaan, sartasalasahiji atraksi wisata budaya pikeunngawewegan widang pariwisata kota. Kukituna, museum henteu ngan saukur tem-pat keur mamérkeun barang titinggal sa-jarah, budaya jeung alam wungkul, tapiogé sarana édukasi keur nu datang ngali-watan interprétasi jeung program hususnu ngaréfléksikeun kaajegan musieum.

Éta hal ditétélakeun ku KadisparbudJabar, Drs. Nunung Sobari, MM., basamuka acara Pelatihan Kepemanduan Mu-seum, sawatara waktu ka tukang di KotaSukabumi.Ku alatan sababaraha faktoranu ngabalukarkeun masarakat Indonésiaumumna, Jawa Barat hususna, teu wanohka musieum. Cukanglantaranana alatankurangna aprésiasi masarakat ka museum,ogé alatan heureutna atikan di masarakatsarta daya beuli jeung karaharjaan masa -rakat anu can nyugemakeun. Tangtu kuheureutna “income perkapita”, nya masa -rakat bakal leuwih ngutamakeun jeungngaheulakeun kabutuh hirupna sapopoé.

Musieum anu katagorina jadi tempatrékréasi tangtu can jadi kabutuh utamakeur masarakat leutik mah.

Demi anu ngabalukareun gejedna pro-gram alatan intern, di antarana kurangnangolah jeung ngokolakeunana. Can mak-simalna ngalarapkeun sistem manajemén,lebah bisnis profit upamana. Kituna téhalatan minimna sumber daya manusa(SDM) nu unggul dina widang permusieu-man. Kurang unggulna SDM, éstu gedépangaruhna kana manajemén musieum.SDM nu unggul teu ujug-ujug ngawujudsarta bisa ukur ku pangalaman otodidak.Tapi kudu diwedelan ku prinsip-prinsippaélmuan permusieuman. Ku kituna,perelu ayana révitalisasi musieum, di an-tarana ku cara ningkatkeun niléy sumberdaya manusia (SDM).

“Mudah-mudahan ku digelarna pelati-han, para pamilon bisa ngaronjatkeunpalayanan nu optimal ka para pengunjung,ogé bisa méré citra positif keur kamekarankapariwisataan di wewengkon JawaBarat,” pokna. Ketua panata calagara nuogé Kepala Balai Pengembangan Kemi-traan, Pelatihan Tenaga Kepariwisataan

dan Kebudayaan, Drs. Rusyandi, M.Si.,nétélakeun, tujuan digelarna éta kagiatantéh pikeun ngaronjatkeun citra musieum,lembaga pendidikan, jeung puseur kbu-dayaan anu mibanda daya tarik wisata.Salain ti kitu, ogé pikeun ningkatkeun pan-gaweruh, kamampuh, sarta profésionalitasSDM kepemanduan musieum, anu mam-puh méré palayanan optimal ka para pan-gunjung musieum. Ngaéféktifkeun peranPemandu Musi eum, faktor utama dinapencitraan permusieuman nu baris méréniléy tambah keur kamekaran wisata kamusieum, sarta nataharkeun para pamilonsangkan bisa milu sértifikasi ngaliwatan ujikompeténsi dina widang KepemanduanMusi eum. Kagiatan diiluan ku 20 urangpa milon ti musium-museum di JawaBarat, di antarana ti Musieum GéologiBandung, Muiseum Etno Botani Bogor;Musieum Pos Indonésia Bandung, Musi -eum Konferénsi Asia Afrika-Bandung,Musieum Sri Baduga Bandung, MusieumTaman Hutan Raya Ir. Juanda Bandung,Musieum Kalijati Kabupatén Subang, sartaMusieum Budaya Kabupatén Cianjur.***

nay

Mikawanoh MusieumNgawewegan Jati Diri Bangsa

Ngawujudkeun para pemandu musieum unggul.

Manglé 2454 37

Lian ti boga niléy ékonomis sarta jadimédia olah rasa nurani pikeun nungadanguna, pop Sunda kungsi boga

kontribusi ka para politisi Sunda nu diuk dinajajaran kabinét. Kajayaan pop Sunda sacaranasional aya dina taun 60-an nepi ka ahirtaun 70-an. Saterusna dina pertengahan taun1980 nepi ka taun 1990-an komara musik popSunda di tingkat nasional ngagejrét pisan.Malah éléh wowotan ku medalna “CucakRowo” jeung “Iwak Peyek”. Padahal ti taun1990-an nepi ka kiwari kréativitas musikSunda di Jawa Barat tacan kungsi kateug kumunculna Darso, Doel Soembang, RikaRafika, Wina Rostaman, diiitambah kusababaraha artis ngora apingan Dose Hudayanepi ka Ebith Beat A sarta sababaraha grupband “Indie” saperti Jasad, Jesund, jeung réa-réa deui. Malah lamun bisa dikategorikeunkana musik pop, poténsi-poténsi hébat tikalangan seniman musik STSI Bandungsaperti Samba Sunda, Seratus Persen, jsb. gékacida éksisna. Éta hal ditepikeun ku AdjieEsa Poetra dina “Workshop Menuju musikPop Sunda Yang Kreatif, Berkualitas dan Pro-fesional Dalam Rangka Pendukungan Work-shop Musik dan Festival Lagu-LaguNusantara” di Hotél Banana Inn Jalan Se-tiabudhi No.191 Bandung(21/11). Kagiatangawé bareng Kementrian Pariwisata DanEkonomi Kreatif Republik Indonesia – Direk-torat Jenderal Ekonomi Kreatif Berbasis SeniDan Budaya jeung Unpad katut IKA (IkatanAlumni) Unpad. Lian ti dijejeran ku Adjie EsaPoetra, Dr. Buki Wikagoe (Pupuhu SekolahTinggi Musik Bandung, Ketua Tim gugus

HAKI Jabar), H.Dose Hudaya, SE., SH.,MH.,(Produser jeung Pencipta Lagu), jeungYan Achimsa ( tukang aransemén lagu- popSunda) téh, ogé midangkeun Réktor Unpad,Prof.Dr.Ir. Ganjar kurnia, DEA., minangka“key note speaker” sakaligus muka acara.

Cek Dr. Julianus P Limbeng, S.Sn., M.Si nuharita rawuh ngawakilan Kementrian Pari-wisata Dan Ekonomi Kreatif, kagiatan ieutaya lian pikeun nyiar poténsi dina widangmusic, salasahijina musik pop daérah. Pangnatempatna di Bandung, sabab di Jawa Barat,cek Limbeng, loba artis kakoncara nu ngana-sional.

“Janten saleresna ieu teh persiapan kanggoworkshop nu resmi dina taun 2014. Ayeunamah mung nyuhunkeun saran (input) tikalangan akademis, musisi, produser sarengwartawan musik, ngeunaan kamekaranmusik pop daerah”, kitu saurna.

Sedengkeun ceuk pamanggih Réktor Gan-jar mah, konsép rumpaka jeung musikali-tasna ti jaman taun 60-an mangsa Band NadaKencana, Upit Sarimanah, pop Sunda saruakitu-kitu kénéh. Upamana sajak Godi nu di-jadikeun lagu Pop Sunda, tina sisi rumpakahadé tapi sacara musikal sarua wé kitu, tayarobahna. Ku kituna, Réktor miharep éta haljadi bahan panalungtikan para pencipta lagumusik pop Sunda sangkan bisa nyieun laguSunda nu musikalitasna béda. Réktor gényabit-nyabit musik nu geus kasilih ku organtunggal sarta ngeunaan pamasaranana.

“Ti pihak produsér kudu wani ngame -karkeun jiwa idéalismeu dina pop Sunda, ulahngan saukur ngudag pasar wungkul tapi kudu

dibarengan ku kualitas”, ceuk réktor.Éta kagiatan, cék Dr. Aceng Abdulah (ketua

panitia), mémang payus diayakeun di Ban-dung alatan padumuk Jawa Barat panglobanakadua di Indonésia. Lian ti éta, Bandung géjadi salahsahiji kota kréatif dunia. Jabar/Ban-dung gé kawéntar “gudang-na artis. Tapi nahawaktu mintonkeun pop Sunda dina télévisikatingalina asa cawérang, penyanyina geuskarolot, teu matak narik karesep konsuménsarta teu kréatif? Padahal pop Sunda bisa jadipoténsi ékonomi nu kawilang. Tina pamian-gan sarupa kitu, kagiatan éta “workshop” di-laksanakeun. Malah cék Aceng, taun hareupmah rék diayakeun “workshop” téhnologimusik, jenis musik, jeung kasadaran hukumHAKI nu bakal méré panyalindungan ka parapencipta lagu ti para “pembajak”.

Doktor Buki Wikagoe boga kamandang,kulantaran kontéksna pop Sunda, otomatisgeus aya di wilayah industri. Jadi nu kududipikirkeunana geus wilayah dagang, untung-rugi, wilayah kompromi seléra masarakat.Upama ti pamaréntah atawa golongan masa -rakat nu mikanyaah kana nilléy-niléy tradisimiharep sangkan ajén-inajén tradisi tetep ka-mumulé dina industri, kudu aya pembinaansangkan kréativitas seniman tetep ngajaganiléy tradisi. Tapi upama pop Sunda bisa di-anggap “kandaraan” pikeun ngamumulé senitradisi jeung senimanna dianggap “pangjagagawang” seni tradisi, pamaréntah kudu méréperhatian nu nyumponan kabutuhan parasenimanna. Umpamana ku jalan méré kartukaséhatan, panyalindungan hukum-hak cipta,malah kudu ngusahakaeun méré pangsiun.Lian ti kitu, sangkan musik pop Sunda lanaayana di masarakat, pamaréntah kudu nga-mangpaatkeun média tv jeung radio lokal mi-nangka média nu bisa mangaruhan seléramasarakat.

Dose Hudaya mah nyorot lesuna pasarmusik pop Sunda, nu cék kamandangnangawengku sababaraha paktor, saperti mMa-habuna pembajakan fisical ku akibat ku-rangna pamahaman jeung kadariaan pa ma réntah jeung panegak hukum dinangungkulan pembajakan . Kamajuan téh-nologi nu ngalahirkeun pembajakan ngali-watan média internét jeung komputer. Ayanakabosen jeung turunna kacinta kana musikpop Sunda, kurangna kasadaran jeung pa -ngajén masarakat kana Hak Cipta, teu lan-carna pendistribusian ka daérah-daérah téh,ku lobana stasion télévisi jeung radio geusngabalukarkeun teu éféktifna promosi musikpop Sunda, ari pidangan musik jeung “genre”liana ti jero/luar negri mah kalah beuki ma-habu.***Asép GP

Pop Sunda Antara Tradisi jeung Industri

Réngréngan panitia, pangjejer, jeung pamilon “workshop” pop Sunda.(Asép GP)

38 Manglé 2454

Hordéng mangrupa produk nudipikabutuh ku saban imah.Adoelz, pangusaha hordéng ti

Ciparay Kabupatén Bandug nu boga“trade mark” dagang Casdoelz (CDL),ningali éta kanyataan minangka poténsiusaha anu gedé untungna. Alatan kitumanéhna terus baé dagang hordéng nepika Sumatra jeung Pupua.

“Pasar hordéng nu pangsaéna diSumatra, margi urang ditu mah gentoshordéng téh ampir sataun dua kali,”pokna ka Manglé, waktu di tepungan diimahna, Kampung Pasirmadur DésaBabakan Ciparay, Kabupatén Bandung.

Dina sabulan omsét Adoelz bisa nepika leuwih ti samilyar. Tapi lamun keur ti-iseun mah sok ngagejrét nepi ka ukurbebenangan Rp 800 rébu rupia sabu-lanna. Dagang hordéng mah teu saruajeung sembako atawa bubutuh séjénnanu laris unggal poé. Payuna hordéng ayausumna, di antarana dina nyangha -reupan lebaran.

Harga hordéng ogé rupa-rupa, ku -maha modél jeung lawon anu dipakéna.Kiwari hordéng nu keur ramé dipesennyaéta modél Manohara. Salian ti réarumbé-rumbéna hordéng Manoharamah butuh lawon nu kawilang loba, di-

tambah ku rénda. Modél séjénna nu sokdipesen, kaasup ku urang Cina, nyaétahordéng “Gelombang Cinta” jeung“Smokegreen”.

Hordéng Manohara harga saméternabisa nepi ka Rp 1,2 juta. Ari harga la-wonna wungkul mah saméterna ti mimi -ti nu Rp 80.000 nepi ka Rp 120.000,ngan lamun geus jadi hordéng rata-ratahargana Rp 1,2 juta nepi ka Rp 2,5 juta.Dina sabulan Adoelz bisa méakeun pu-luhan konténer lawon hordéng, nudikirim ka unggal agén sa-Nusantara.Malah ka Papua mah rata-rata ngirimnepi ka dua treuk.

Dina ngokolakeun usahana, Adoelzukur dibantuan ku lima urang pagawé,ngawengku tilu urang tukang ngadesainhordéng sarta nu duaan purah nguruslawon pikeun kirimkeuneun ka agén-agén atawa masarakat nu jadi plasma(mitra gewé) CDL. Pikeun nyumponanpangabutuh lawon, Adoelz gawé barengjeung dua pabrik nu aya di MajalayaKabupatén Bandung.

Salian mroduksi hordéng, Adoel boganiat ngawangun 30 ruko (rumah toko)nu rék disulap jadi séntral hordéng.

Dipiharep, lamun aya sénrtral UKM,hususna hordéng, Adoelz bisa ngaber-dayakeun masarakat Babakan jeungMalaksari Ciparay.

“Abdi gaduh cita-cita mulangkeundeui kajayaan Ciparay minangka pang-hasil hordéng di Indonésia. Ku margikitu, dina waktos nu moal lami deui abdiAbdi badé ngadamel tugu hordéng diAlun-alun Ciparay.

Adoelz ogé miharep, aya bantuan pa-maréntah ka warga nu salila ieu jadimitra gawé CDL. Utamana dina sualmodal. Salila ieu warga Babakan jeungMalaksari méh 70 persénna usaha dinawidang hordeng, tapi modalna kawate-san, kaasup dina mesin jaitna. Mémangsalila ieu maranéhna meunang bantuanti CDL, tapi modal usaha Adoelz ogé ayawatesna.

Kaahlian Adoelz dina nyipatkeunmodél sarta nyieun hordéng geus kaasah

Adoelz Dagang Hordéng nepi ka Papua

Adoelz jeung sobat-sobatna.

Manglé 2454 39

ti leuleutik. Sabada lulus SMP manéhnadiajar gawé ka tatanggana, H. Suminta,nu pangheulana muka usaha hordéng dilemburna. Waktu mimiti diajar ngajaithordéng Adoelz ukur diburuhan saratusrébu rupia sabulan.

Taun 1994 Adoelz ngumbara kaPekanbaru, ngadon usaha kana hordéngdi lembur batur bari rék neruseun sakolaka SMA. Kusabab katungkulkeun nyiarkipayah, Adoelz antukna poho kana pa-niatan rék sakola, nepi rumah tangga,ngajodo ka urang Pekanbaru. Hirup dipangumbaraan teu lila, taun 2000Adoelz balik deui ka Ciparay, usahahordéngna ancur sarua jeung kahirupanrumahtanggana nu kudu pepegatanjeung pamajikanana. Nyaksian kaayaanmuridna kitu, H. Suminta ngabantuusaha Adoel. Kalawan bekel loba kawa -wuhan jeung dulur nu aya dipangum-baraan, Adoelz mimiti mitembeyan deuiusahana. Malah kiwari usahana leuwihmekar usaha kana hordéng nu bahannadasarna tina kai.

“Upami nu bahanna sanés tina kaénmah seuseueurna dipesen ku kantoran,hotél, sareng apartemén,” pokna.

Kaparigelan Adoelz kana hordéng téhbisa jadi mangrupa turunan, lantaran in-dungna, Nénéng, kawéntar minangkapangrajin kaén sepré, sarung batal, jeung“bedcover” nu bahanna tina lawonhordéng. Badcover jieunan Nenenglolobana dijual ka wilayah Sumantra.Ceuk Adoelz, indung sarta dulur-dulurnacarekel usaha kana hordéng.***dédé

DiskoperindagJuara Senam Séhat

Sabilulungan

Dinas Koperasi UKM Perindustrian dan Perdagangan(Diskoperindag) Kabupatén Bandung jadi pinunjulkahiji dina Lomba Senam Sehat Sabilulungan. Pin-

unjul kadua dicangking ku Dinas Pendidikan dan Kebu-dayaan (Disdikbud), sarta katiluna Rumah Sakit UmumDaérah (RSUD) Soreang.

“Éta juara téh kanggo lomba senam séhat sabilulunganberegu, dina raraga milangkala ka-42 Korpri tingkat Kabu-patén Bandung. Pinunjul perorangannana kénging ku Diahti RSUD Soréang, ka II ku Evi Rahmawati PNS tiDiskoperindag, sarta posisi ka III Iwan ti Dinas Sumber DayaAir Pertambangan Energi,” ceuk panitia lomba, Mamét

Slamet.Bupati Bandung, Dadang M Naser, nétélakeun, ngajaga

kaséhatan jasmani jeung rohani éstu penting pisan. Tapi,pokna, kagiatan olahraga téh ulah jadi kagiatan anu sipatnasérémonial wungkul, kudu jadi alat pikeun meungkeut rasapersatuan jeung kesatuan di antara PNS Kabupatén Ban-dung.

Bupati ogé ngucapkeun wilujeung milangkala ka-42 Kor-pri, mugia Korpri Kabupatén Bandung bisa mantuanngawujud keun visi pamaréntah daérah dina nyiptakeuninsan-insan nu séhat jasmani katut rohanina, rélijius, sartamotékar inteléktual katut spiritualna.

“Sim kuring miharep Korpri Kabupaten Bandung tiasateras ngagedurkeun sumanget nétralitas, ngajaga integritassarta mampu ningkatkeun profésionalismeu para anggotana,hususna PNS, pikeun ngarojong kana kaberhasilan réformasibirokrasi di pamaréntah Kabupatén Bandung,” pokna.***

nunk

Conto hordéng Adoelz.

40 Manglé 2454

Gambar ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

Manglé 2454 41

Baheula beh ditueun jaman ba-heula mah, ucing jeungmaung teh dua sadulur.

Ucing adina, ari Maung lanceukna.Duanana teu weleh babarengan dinahirupna. Ngan nu ngabedakeunanateh eta wae awakna. Maung mahjangkung gede, ari Ucing mah leutik.

Tapi sok sanajan beda oge, dua-nana teu weleh silih pikanyaahjeung babarengan dina nyiarpangabutuh beuteung sapopoena.Mun pareng aya sato tewakeun sokditingker babarengan, nu tung-tungna pasti sok beunang wae kate-wak.

Dina hiji poe Maung néwak Ke-lenci nu lintuh. Tapi ku sabab karekturun hujan gede, durukan parantimeuleum daging nu Maung jeungnu Ucing teh parareum. Euweuhareng nu hurung saeutik- eutik acankeur meuleum eta kelenci. TerusMaung nitah ka Ucing neangan seu -neu ka kampung nu deukeut tileuweung.

Maung nitah ka Ucing teh, pedahawak Ucing leutik. Sabab lamunMaung nu indit pasti bakal beunangditewak ku manusa. Beda jeungUcing nu leutik gampang nyumputjeung lincah dina usikna.

Bari teu ngajawab deui, Ucingindit bari katingalina semu atoh.Kacipta da¬ging kelenci nu dipang-gang, Ucing lumpat nepi ka salahsahiji kampung nu deukeut ti leu -

weung tempat manehna matuh.

Nepi ka salah sahiji imah nukatingalna sepi, Ucing langsungasup ka dapur. Kabeneran eta imaheuweuh nu bogana, sabab nu bogaimah keur ngagarap sawah. AtuhUcing tumaninah naker asup kaimah teh. Barang asup ka imah,kaambeu ku Ucing aya nu seungit.

"Wah, bau naon, nya? Ka -ambeuna asa dahareun nu ngeunahyeuh!" gerentes Ucing. Ucing ningallauk asin na piring deukeut meja.Bakat ku lapar Ucing langsungngadahar eta lauk asin. Sanggeusseubeuh Ucing langsung ngagoler dideukeut durukan bakat ku seubeuhnepi ka poho kana kawajiban. Dihareupeun durukan hawana haneutdibandingkeun jeung hawa di luarnu keur usum hujan. Sialna, Ucingkasarean. Jeung leuwih sial deui,pas Pa Tani nu boga imah etadatang. Pa Tani mimitina reuwasningal aya sato keur sare di deukeutdurukan. Leuwih reuwas deui eta PaTani, pas ningali lauk asinna piringgeus beak.

"Pasti sato ieu nu geus ngadahar -na!" ceuk Pa Tani. Terus Pa Taninyokot kurungan hayam. Ucingditewak, terus diasupkeun kanakuru ngan.

Ucing reuwas pas manehnakahudangkeun, geus aya dina kuru -ngan. Ucing leuwih reuwas pas PaTani ningalikeun manehna deukeut

kurungan. Ucing geus yakinmaneha nana bakal di paehan, sababgeus nyokot lauk asin dina nu PaTani. Tapi sangkaan Ucing, lainjeung benerna. Unggal poe Pa Tanimere sangu dicampur ku lauk asin.

Pa Tani jadi bageur nyaah kaUcing. Pikeun males jasa Pa Tani,Ucing sok newakan beurit nu diimah Pa Tani. Ucing nu tadina sieunku Pa Tani teh, lila-lila mah jadinyo bat oge, manehna mindengdiusapan ku budak Pa Tani, jeungtungtungna mah ngarasa betahngahiji jeung manusa tibatan kuducicing di leuweung.

Nya ti harita Ucing teh teu balik-balik deui ka leuweung, tapi cicingjeung nyobat jeung Pa Tani di imah.Ceuk pangrasa Ucing, hirup pang -genah-genahna dipikanyaah kumanusa mah, moal kakurangandaha reun jeung moal dipaehan.Tapi kulantaranan asalna Ucingmah sato galak, atuh adat gorengnateu bisa leupas kabeh. Mun bongohti Pa Tani teh sok cocorokot.

Ari sakadang maung nu nung-guan Ucing kacida ambekna, sababUcing teh teu datang wae. Bakat kuambek, kelenci atah teh didaharatah-atah teu diasakan. Nya ti haritaMaung jadi resep dahar daging atahteh. Atuh Ucing teh teu wani-waninembongan hareupeun maung, dapasti lamun nembongan mahMaung nu neuteuli keneh bakalngerekeb. (Adung Triana)

UcingDalit jeung Manusa

42 Manglé 2454

Basa Sunda anu dipaké dinabuku Roesdi djeung Misnemtéh basa Sunda sapopoé,

tangtu baé basa Sunda sapopoé alamharita. Geus aya panta-pantana basaharita ogé, anu leuwih populér di -sebut undak-usuk basa Sunda(UUBS). Sanajan kiwari geus digantiistilahna ku Tatakrama Basa Sunda(TBS) ogé, angger baé leuwih lobanu nyebut jeung leuwih waranohkana istilah UUBS tibatan kana TBS.Ngan upama dibandingkeun jeungbuku bacaan barudak sakola anu ter-bit sajaman, saperti Soember Aroem(R.I Adiwidjaja jeung R. Kd Djaja -diredja), Ganda Sari (R. Rangga Sas-traatmadja, M . Soemawidjaja, jeungSoeria di Radja), Panjoengsi Basa(Soeria di Radja, 1934), jeungPanggelar Boedi (W. Keizer jeung R.Satja di Brata, 1948), dina Roesdidjeung Misnem mah henteu karasalekoh teuing UUBS-na.

UUBS geus dipaké dina Roesdidjeung Misnem, ngan henteu kon-sistén dina ngalarapkeunkekecapan ana. Aya sawatara kecapanu henteu merenah ngalarapkeun -ana, upama anu jadi ukurananapalanggeran UUBS kadieunakeun.Upamana baé anu kapanggih dinaomongan Rusdi ka guruna basa rékkadatangan Tuan Kontrolir. CeukRusdi, “Hayang terang baé atuhJuragan, rék aya saha, da di imahabdi ogé kamari beberesih, réksumping sémah.” Anu merenah ceukpalanggeran UUBS kiwari mah,pokpokan Rusdi ka guruna téh,meureun kieu: “Hoyong terang baéatuh Juragan, badé aya saha, da dirorompok ogé kamari beberesih,badé sumping tamu.”

Hayang, basa sedengna hoyong,basa lemesna palay. Imah, basasedengna rorompok, basa lemesna

bumi. Nyaho, basa sedengna terang,basa lemesna uninga. Sémah, basasedeng jeung basa lemesna saruanyaéta tamu atawa tatamu. Kituapan panta-pantana basa dinaUUBS anu dianggap merenah téh.

Aya anggapan, pangna kitu téhlantaran dina jaman Rusdi mah canaya palanggeran anu baku ngeunaanUUBS. Masalah UUBS mémang geusdisabit-sabit ku ahli basa urang Wa-landa S. Coolsma dina bukunaSoenda neesche Spraakkunst, han-jakal henteu kanyahoan taun terbit -na, anu jelas saméméh medalnabuku Élmoening Basa Soendakarangan D.K. Ardiwinata, taun1916. Coolsma disabit-sabit ku Ardi-winata dina panganteur ÉlmoeningBasa Soenda. Ari buku anu mung-garan medar ngeunaan UUBS terbittaun 1913, nyaéta buku Oendak-Oe-soek Basa Soenda anu disusun kuM.I. Prawira Winata jeung R. SoemaWisésa. Kawasna mah ti haritamimi ti dipakéna istilah UUBSpikeun panta-pantana basa dinabasa Sunda téh, da Coolsma mahmasih kénéh ngagunakeun istilah“lemes jeung kasar” dumasar kanapanta-panta basa anu ku manéhnadipasing-pasing jadi dua golongangedé, nyaéta basa kasar anu disebutogé basa cohag, jeung basa lemesanu disebut ogé basa kawi.

Istilah UUBS dipaké ogé ku D.K.Ardiwinata dina bukuna ÉlmoéningBasa Sunda (1916), Rd, Poeradiredja(hasil Kongrés Basa Sunda II di Ban-dung taun 1927), R. Satja di Brata(Oendak Oesoek Basa Soenda,1943), R.I. Adiwidjaja (Adegan BasaSunda, 1951), R. MomonWirakusumah jeung I. Buldan Djaja -wiguna (Kandaga Tatabasa, 1957),Karna Yudibrata, Agus Suria -miharja, jeung Iskandarwassid (Bag-

bagan Makéna Basa Sunda, 1989),jeung Budi Rahayu Tamsyah(Kamus Undak Usuk Basa Sunda,1992). Tadi ogé disebutkeun sanajanistilah UUBS geus diganti ku istilahTBS sabada Kongrés Basa Sunda diBogor taun 1988, angger wémasarakat mah leuwih loba anumikawanoh kana istilah UUBS.

Kecap gaganti ngaran (kecapsulur) jalma kahiji anu kapanggihdina buku Roesdi djeung Misnemtéh nyaéta kuring, uing, déwék, aing,abdi, sim abdi atawa jisim abdi. Eu-weuh jisim kuring atawa sim kuringmah. Basa Pa Rusdi jeung AmbuRusdi dipercaya ku Juragan Camatngokolotan perkara urus-urus hajat,upamana, ceuk Pa Rusdi téh, “Séwu-séwu kasuhun, sim abdi sareng punbojo, dilumayankeun ku salira, damenggah katiasa mah teu aya pisan.”Tuh, pan sim abdi ngabasakeunanaogé, lain sim kuring.

Perkara sim abdi jeung sim ku -ring téh kawas anu teu pira, tapi bisajadi ngagambarkeun lalampahanbasa Sunda dina pajemuhanpanyatur na, nyaéta urang Sunda. Arisababna, kiwari aya paham anunyebut keun yén kecap sim atawajisim téh gunana pikeunngalemeskeun kecap kuring. Anuasalna ragam basa kasar, dirobahjadi ragam basa lemes jadi sim ku -ring atawa jisim kuring, anu dilarap -keunana (tangtu baé) pikeun ka dirisorangan lamun nyarita ku ragambasa lemes. Anu matak cenah,upama kecap sim atawa jisimdiréndon keun jeung kecap abdi,sarua jeung ngalemeskeun basa anugeus lemes; meureun kaasup kanagaya basa kadalon (pléonasme). Étapaham jelas henteu sarua jeung anuaya dina buku Roesdi djeung Mis-nem. Leuwih jelasna mah aya roba-

Budi Rahayu Tamsyah

Ngalanglang Alam Rusdi jeung Misnem (7)

Manglé 2454 43

han ti mangsa Jang Rusdingalalakon tug nepi ka kiwari. Ngan,ti mimiti iraha robahna téh? Can ka-paluruh. Dina buku PanjoengsiBasa, anu terbit taun 1934, upama -na, masih kénéh ngagunakeun kecapsim abdi atawa jisim abdi; lain simkuring atawa jisim kuring.

Parandéné kitu, sim kuringatawa jisim kuring téh lain kekeca-pan (frasa) anyar, anu munculsabada Roesdi djeung Misnem jeungPanjoengsi Basa. Éta kecap kapang-gih ogé dina buku Tjarita Abdoer-rahman djeung Abdoerrahim (1911)karangan R.H. Moehamad Moesa.Dina éta buku kecap jisim kuring di-paké, salian ti kecap jisim abdi téh.Larapna dina ungkara, méh tayabéda na. Hartina jisim kuring téhngan saukur sasaruanana tina jisimabdi baé. Taya bédana jeung anu ayadina Warnasari (1887) karangan Rd.Lenggang Kancana. Ari dina bukuPait-peuheurna Njandoeng (1926)karangan Nyiradén Permasih jeungD. Sasmitadimadja, anu dipaké téhngan jisim kuring atawa sim kuring.Dina bagian basa lancaranana mahkomo, teu kapanggih aya kecap simabdi atawa jisim abdi.

Tétéla baé, tina ngalanglang kaalam Rusdi jeung Misnem, jadikanyahoan robahna konsép UUBStéh. Lain perkara jisim kuring jeungjisim abdi baé deuih anu robahnatéh, kaasup dina kekecapanana.Dina Panjoengsi Basa, anu mang -rupa buku pangajaran basa Sundapikeun sakola handap (SD munayeu na mah), aya katerangansababaraha kecap anu ulahdilemeskeun; lamun dilemeskeuntéh disebutna lemes dusun. Kecap-kecap anu ulah dilemes-dusunkeuntéh, di antarana baé (anu dina jerokurung minangka babandingananajeung basa Sunda kiwari − BRT):jalma atawa jelema, lemesna ogéjelema atawa jalma (kiwari mah geusprah basa lemesna jalmi); ayalemesna ogé aya (kiwari sok aya anungalemeskeun jadi nyondong);bukti, lemesna ogé bukti (kiwari:buktos); jadi, lemesna ogé jadi (ki-wari: janten); sanajan atawa najan,lemesna ogé sanajan atawa najan(kiwari: sanaos); robah, lemesna ogérobah (kiwari: robih); anyar,

lemesna ogé anyar (kiwari sok ayaanu ngelemeskeun: énggal); daékanlemesna ogé daékan (kiwari sok jadikersaan); éraan lemesna ogé éraan(kiwari sok jadi isinan). Lamun seugSoeria di Radja, anu nyusunPanjoeng si Basa ngadéngékeunurang Sunda kiwari nyarita ku basalemes, kabayang wé kagéteunanabari teu weléh nyebut: ih, menidarusun!

Balik deui kana perkara kecapsulur jalma kahiji. Anu henteu ka-panggih dina Roesdi djeung Misnemtéh kecap kula, kaula, urang, jeungkami. Kecap kula, kaula, jeung kami,dina buku séjén kapanggih dinadongéng-dongéng anu nyaritakeunjaman karajaan. Sanajan kitu, kecapkaula ogé dipaké ku D.K. Ardiwinatadina panganteur buku ÉlmoeningBasa Soenda (1916). Haji Serbannadeuih dina Tjarios Agan Permaskarangan Joehana, anu sok ngabasa -keun kula téh. Aya deui anu dipakéku somahan saperti anu aya dinaDogdog Pangréwong (1930) kara -ngan G.S. Dina carita anu judulna“Salah Pok”, aya paguneman kieu:

“Cingan, neuleu beubeunangantéh!” ceuk Ambu Uling.

“Tah geuning, ngan sakieu,”jawab baturna.

“Euleuh geuning réa, sarua baéjeung beunang kula éta mah … tuh!”

“Kira-kira aya sabaraha katieunnya engké lamun geus tuhur?”

“Nu mana? Nu beunang kulajeung beunang euyna?”

“Enya!”“Ah, aya baé meureun tujuh

eponeun mah.”Dina cutatan paguneman di

luhur, aya dua kecap sulur nyaétakula jeung euyna. Kula mangrupakecap sulur jalma kahiji, ari euynakecap sulur jalma kadua. Puguh baéasa kakara manggih aya kecap sulureuyna mah. Béda jeung kecap sulurmanéhna atawa bapana, kecap sulurjalma katilu anu dipaké jadi kecapsulur jalma kadua. Éta mah lain dijaman Rusdi jeung Misnem baéayana téh, malah kiwari ogé sokmindeng kapanggih, boh dina wa -ngun tinulis boh anu diucapkeun,utamana mah di pilemburan. Diwewengkon mana ayana éta kecapsulur euyna téh? Tacan kapanggih

raratananana.Kecap urang tara dipaké kecap

sulur jalma kahiji ku bangsa urangmah. Tara ieuh ngabasakeun urangkeur dirina sorangan. Kecap urangsok dipaké kecap sulur ku Tuan(bangsa Walanda) anu geus bisanyarita Sunda, saperti anu kapang-gih dina buku Pagoeneman Soendadjeung Walanda beunang nyusunK.F Holle jeung Rd. Rangga Karta -winata, anu terbit taun 1891. Conto -na, ceuk Tuan, “Unjukkeun lamuntaya halangan mangké soré urangjeung Nyonya rék nganjang!” Tapiéta mah baheula, jaman Rusdi jeungMisnem. Ari kiwari kecap urang sokdipaké kecap sulur jalma kahiji kubarudak, lamun nyarita jeung pa-pada baturna. Malah teu saeutikkolot ogé anu ngabasakeun urangkeur ka dirina sorangan, lamunnyarita dina suasana loma jeung anugeus loma.

Kecap sulur jalma kadua anu ayadina buku Roesdi djeung Misnem,umumna mah anu kiwari masih di-paraké ku urang Sunda, di antaranabaé: manéh, silaing, sia, anjeun,salira, jeung hidep. Husus kecaphidep dipaké ku guru ka murid-muridna. Dina buku séjén, dipaké kukolot ka anakna dina waktu keurngagelendut mapatahan atawa mérépangajaran. Nepi ka ayeuna éta téh,kecap hidep masih kénéh sok dipakéku guru ka muridna, ku kolot kaanakna, jeung sajabana. Pokonamah ti nu saluhureun ka nusahanda peun. (hanca)

“Cingan, neuleubeubeuna ngan téh!” ceukAmbu Uling.

“Tah geuning, ngansakieu,” jawab baturna.

“Euleuh geuning réa,sarua baé jeung beunangkula éta mah … tuh!”

“Kira-kira ayasabaraha katieun nyaengké lamun geus tuhur?”

“Nu mana? Nu beunangkula jeung beunangeuyna?”

“Enya!”

Anugerah Budaya 2013

Ti Gupernur Jawa Barat

Dina raraga perifikasi paracalon pinunjul anu barisdilélér Anugerah Budaya

Jawa Barat 2013 ku GupernurJawa Barat, Tim Juri nu diketuaanku Prof. DR. Hj. Nina herlinaLubus kamari ieu miang kasawatara tempat anu kabeneranwargana aya anu kasinugrahanbagja dilélér anugerah taun ieu.

Saméméhna Tim juri geusngider ka daérah- daérah Prianganwetan, kamari ieu nyusul ka kulondi antarana ka kota Bogor nepu -ngan kulawarga bapa kpmikpawayangan ti jawa Barat R. A.Kosasih ditarima ku hiji-hijinadeui putrana anu aya nyaétaWydowati, terus ka MuaraberesCikidang Sukabumi nepunganpengrajin awi Kidang Kancanaabah Djatnika Nanggamihardja, ti

dinya bangblas ka Palabuan Ratu,ka Inna Samudra Beach Hotelanu leuwih sohor disebut HotelSamudra, hotel kahor anu diwa -ngun jaman Bung Karno.

Tim Juri anu diketuaan kuProf. Nina Lubis, anggotaaGugum Gumbira, DR. SuhendiAfrianto, Drs. Rusman Nasution,Herry Dim, Herman Muchtar se,Nico Limanaung, Drs. Djoni S.Iskanfdar MM,

Sapanjang natamu di hotelsamudra, rombongan tim Juridianteur ku Kepala Dinas Pari-wisata Kabupaten Sukabumi Drs.Dadang. Ditarima ku Sales mar-keting Ibu Ika.

Nu dilélér anugerah Budayamemang lain perorangaana, lainpingpinanana, tapi lembaganaceuk Prof. Nina. Dibandingkeun

jeung Homan katut Preanger diBandung, hotel Samudra punjulajén

Tradisionana, kuat nyekelkana jihat-jihat daérahna, kaasupanu henteu unggut kalinduanjeung teu gedag kaanginan, tisaprak dibuka jeung diresmikeunku Presiden mangsa harita BungKarno awal taun genep puluhanieu hotel henteu robah, KadisparSukabumi nyebatkeun yén upamaningal Bintang, hotel Samudramémang Bintang 4, diaku yén kadieunakeun keur ngalaman nyiro-rot pampr najan tetep punjul tibatur, tamu ngaleut baé, saka -peung rombongan. Hotel Samud -ra kapiara hade, ti baheula tug tepika ayeuna endah asri matak betahanu ngaranjang.

Pnorama Hotel plungplong ka

Ketua Juri Anugerah BudayaGupernur Jawa Barat 2013 Prof.Dr.Hj.Nina Lubis saparakanca di lembur awi diantara imahawi abah Djatnika.

44 Manglé 2454

laut, bagian hareup kiduleunanangarunggunuk pasir anu rémbethejo tutuwuhana, disebutnaleuweung, sabagian dikawasa kuPerhutani, tapi aya bagian séjénaanu jadi milik hotel tempatmonu men Bung Karnodiperenah keun dina pem-bukaanana baheula.

Nu mingpin Samudra hotelayeuna nurutkeun Ibu Ika nyaétaIbu Maria Sinaga,

Naha kamar husus anu ceuksakaol disadiakeun keur NyaiRatu Dewi Roro Kidul aya kénéh?Hotel Samudra anu ampir jadiobyek wisata mistik kusabab ayakamar husus Nomer 308 du-masar kana pamundut BungKarno, teu leupas tina panalinga -an MUI, ayeuna ieu kamar dise-but “ Private Room”. Sagalarupana aya kénéh, héjona ogémasih tetep, seungitna pon kitukénéh. Basa dibéré kasempetansabengbatan ningalan éta kamar,katingal loba potret jeung kartunama hareupeun ranjang. Cenahéta téh ti nu baroga kahayang,kaasup hayang jadi bupati,guper nur, anggota dewan jeungsajabana. Nu hasil maksud sokbarangkirim keur kapereluankamar. Cenah éta gé, ceuksawatara urang anu geus kacidalilana babakti di hotel anupangaagreng na jeung panghebatnadi Palabuanratu.

Méméh ka Palabanratu, TimJuri nepungan heula ahli warisbapa Komik Jawa Barat RA.Kosasih di Bogor. Kabeneran ayakénéh saurang putrana nyaétaWydowati karyawati departemenkehutanan. Wydowati narima timjuri di holtel Pangango. Ra.Kosasih anu mashur buku-bukukomik pawayanganana pang-pangna Mahabarata, Ramayanameunang pangajen ti Tim Juri,taun ieu narima Anugerah Budayati Gupernr Jawa Barat, anugerahbakal ditarima ku Wydowati.

Kampung Awi

Dianteur ku Abah Dasep tipadepolan Baranangsiang, TimJuri neruskeun lalampahan ka

Muaraberes, lembur awi di DesaCikidang Sukabumi. Ditarimalangsung ku Abah DjatnikaNanggamihardja kokolot lemburAwi. Imah-imah di Cikidang ieumemang kabeh dijieun tina bahanawi karya Abah Djatnia pengrajinawi Kidng kancana. Ditarima diimah awi anu husus keur narimatatamu anu legana 42 m2

Abah Djatnika ti keur di SDkeneh geus pinter nyieun karajinan

tina awi, di antarana nyieun hihid.Terus dikembangkeun, terus

nyieunan paparabotan rumahtangga tina awi, parabot musik tinaawi tepi ka ahirna nyieunwawangu nan saperti imah, musolajeung sajabana. Konsep imah awipantes dipaké pamatuhan sapertikieu tetela loba anu resep. AbahDjatnika jadi lampar saba daerah,saba nagara diondang jeungdipénta bantuanana nyieun imahawi. Nya kapaksa kudu mawaanbahan ti lembur, dipola heula,engké ngan kari masang-masangna wungkul pokna. Jeungawi, Abah Djatnika lampar sabanagara, kungsi ka Amerika, Efropa,Malaysia, Timur Tengah, Asiajeung nagara-nagara tatanggaseje nna.

Abah Djatnika jeung Kidang

Kancana katut karya-karyana se -ring ogé midang dina pameran-pameran di nagara soranganjeung di luar negri.

Abah Djatnika asalna mah ahlikanuragan penca ti Cimande numaher tembang ogé, kitu deui ka-capi suling bari jeung nyieunanparabot musik tina awi sapertisuling jeung sajabana. Abah ogéneuleuman palsapah budayaIslam dina mangpaatna keur

kahirupan moderen. Tepi kaahirna Abah neuleuman senibangu nan tina bahan awi nudiluyukeun jeung arsitekturSunda.

Rahab wawangunan tina awi; Pundasina umpak bata

bereum. Tihangna Awi bitung,kuda-kuda, galar tina awi gom-bong, Keur nguatan konstruksiawi tali, talina, injuk atawa hoé,usukna awi tali, éréngna awigombong hateup kenteng pelen-tong Mantili, plafon bilik kulitawi, bilik na awi gombong, anya-man bilik kulit awi, Lantenakeramik lokal, Kusen kai kam-per, maranti, panto/ jandelakamper atawa maranti, dekorasikaca timah, awi hideung, hoéfinising pernis.***

(HRS)

Kamar NyaiRatu Roro Kidul (kamar 308) Hotel Samudra, Palabuan Ratu Suk-abumi. Ayeuna mah “Private Room” disebutna.

Manglé 2454 45

46 Manglé 2454

Tepang asih, tepang asih//Tepanggerah ku kabungah//Nyandingsekar pangwilujeng//Wilujeng ka

anu lenggah. Tepang asih, tepangasih//Tepang gerah kukabungah//Sumangga sing raos leng-gah//Sumangga sing raos manah.

Di antara lirik di luhur, judulna TepangAsih. Harita keur anteng ngalaeu nga-haleuang. Sorana saweur ka luareun

tempat na di lingkung Seni ‘Riung Mung-pulung, Jl. Riung Mungpulung Raya No.10 Cisaranten Kidul Gedébagé Kota Ban-dung. Tukang kacapi, tukang goong,tukang kendang, juru kawih, harita bagunsarumanget pisan. Kituna téh, singhoréngkeur tatan-tatan, lantaran, rék diondangmanggung dipayuneun para gegedénpuseur dayeuh nu hadir kana acara di Pus-dai Jawa Barat.

Lingkungan Seni ‘Riung Mungpulung’,upama dina kagiatan kaagamaan mah, mé-mang geus pada mikawanoh. Kituna téh,lantaran sering diondang dina saban kagia -tan, pangpangna di lingkungan kamasjidan

nu sok diayakeun ku Dewan Masjid Indo -nesia (DMI) Wilayah Jawa Barat. Sapertinawaé, pernah minton dina instrénan parapangurus pembina TK Islam sa-Jawa Baratdi gedong KNPI Jawa Barat ogé dinaMuswil DMI Jawa Barat. Hartina, lingkungseni ‘riung mungpulung’ memang geusmeu nang kapercayaan ti masarakat. “Al-hamdulillah, lingkung seni riung mungpu-lung kénging kapercantenan ti masarakat,”ceuk Bapa Ir. H. Suharjanto Muljono nukatelahna Mister Tepang Asih daria naker.

Naon atuh garapan ieu lingkung seniriung mungpulung téh?

Luyu jeung kamekaran seni Sunda,

boga garapan nu mandiri, nyaétamekarkeun seni sunda bari ngajak kanangahadéan amar ma’ruf nahyi mungkar.Tegesna, keur urang Sunda mah,mekarkeun da’wah téh lain saukur dinapidato, tapi ogé bisa ngaliwatan seni. Kukituna aya rupa-rupa widang garapan.Sapertina waé aya kacapian ngawih Sunda“Udaganana mémang hoyong sasieureunsabeunyeureun ngiring umajak kahadéan.Papatah dina lirik kawih Sunda, kantenantiasa janten teuleumaneun urang sadaya -na. Motona ogé apan henteu jauh tinacepengan urang Sunda, silih asih ku kawih,salagu ti tatar Sunda,” saurna Mister

Najan teu ngarti, tapi

karasa. Kitu lagu-lagu Sunda

mah, ceuk urang Jawa.

Naha enya?

Nu Ngalumbara di Tatar Sunda

Grup Lingkung Seni Riung Mungpulung keur ngawih dina acara Muswil DMI Jawa Barat

Ir. H. Suharjanto Muljono, lir pindah cai pindah tampian. Keur latihan., tatan-tatan saméméh manggung

47

Tepang Asih nu ogé ngajar di UNINUSBandung.

Upama ieu lingkung seni jinekgarapan ana, lantaran mémang sadar, nga-mumulé budaya jeung sastra Sunda téh,jadi kawajiban nu nganjrek di tatar Sunda.Ku kituna, lingkung seni riung mung -pulung ogé, lian ti ningkatkeunkamotekaran ngawih, ogé bari nyiptakeunsababaraha judul kawih, nu di antarana,Gedebagé Nanjung jeung BPTKI JawaBarat. Atuh sababaraha kawih séjénna nusok dipintonkeun, di antarana; TepangAsih, Kukupu, Wangsit Pahlawan, SundaMekar, ogé Duh Indung.

Ti Masjid keur SundaIslam jeung Sunda kacida dalitna. Kitu -

na téh, lantaran ajaran Islam mah kacidaloyogna jeung pasipatan urang Sunda. Kukituna, keur ieu lingkung seni gé, kacidamiharep na, ngawih ku cara nu islamileuwih mekar. Komo deui, mekarna kawihSunda nu islami, geus dicontoan kupanataras kawih sohor Mang Koko, nu ogékatelah nyantri. Dina lalampahanana,Mang Koko ampir tiap Subuh sok adankalawan ngahaleuangna ngagunakeunsorog, pélog atawan madenda. Lantaran so-rana halimpu jeung nyerep kana mamarashaté, nepi ka masarakat sabudeureunmasjid jadi harayang gancang solat kamasjid.

Saperti lalampahan Mang Koko,Lingkung Seni Riung Mungpulung ogégeusan mupujuhkeun pamiangan kawihSunda nu dimitembeyanan ti Masjid. “TiMasjid Al-Adha Riung Bandung, lingkungseni riung mungpulung téh diadegkeun -ana. Kituna téh mudah-mudahan seueurbarokahna, henteu leungiteun paniatan,geusan ngamumulé seni Sunda jeung

da’wah Islam,” ceuk Ir. H. SuharjantoMuljono, pupuhu Lingkung Seni RiungMungpulung témbrés.

Ngumbara, Nyaah ka Seni SundaLian ti programna ngadumaniskeun

seni Islam Sunda, singhoréng ieu lingkungseni téh, nu ngokolakeunana béda jeunglingkung seni séjénna. Upama lobalingkung seni Sunda dikokolakeun ku nugeus ngakar ti baheulana atawa warisansepuhna, ari lingkung seni riung mung -pulung mah béda. Ieu lingkung seni mahdikokolakeunna téh ku nu ngalumbara tidaérah luar Jawa Barat. Sapertina waé ayati teureuh Salatiga, Magelang, Sumatera,Lampung jeung sajabana. “Ieu lingkungseni diadegkeun tur dikokolakeun ku multiétnis. Aranjeunna nu leres-leres nyaah kasarakan Sunda ogé mémang tos laminganjrek di tatar Sunda,” saur ieu pan-garang lirik Gedebagé Nanjung teureuhSalatiga Jawa Tengah téh.

Mekarkeun seni Sunda mémang lainsaukur kawajiban teureuh Sunda wungkul,tapi ogé keur warga ti luar Sunda nu mé-mang nganjrek di Tatar Sunda. Kitu ogékeur para pangurus lingkung seni RiungMungpulung, sanajan kasebutna teureuhluar Sunda, tapi apan digedékeun mah ditatar Sunda. Cek paribasa mah, ngarasasadar lir pindah cai pindah tampian. Atuhmekarkeun Sunda ogé ngarasa geus jadikawajiban. “Kantenan deuih, aranjeunnanu tos puluhan taun di tatar Sunda. Lirpindah cai pindah tampian. Tapi saneshartosna tiasa, komo parigel pisan mah,tapi éstuning étang-étang diajarmintonkeun seni Sunda baé,” pokna deui.

Lingkung Seni Riung Mungpulunggeusan mekarkeun seni Sunda ogé, henteuwaé di lingkungan tatar Sunda, tapi ogé

mintonkeun ka luar tatar Sunda. Sapertinawaé, pernah meunang pangondang tiMagelang. Kalawan henteu ngarasa leutikhaté, harita ngacapian dibarung nga-haleuangkeun kawih Sunda ti tatar Mage-lang. Sanajan kasebut ti tatar Jawa, teungalarti kana basa Sunda, tapi nu haladirharita ngarasa ngahibur. Lantaran, cenah,lagu Sunda mah, matak raos kakupingna.“Nyaéta, lagu Sunda mah pada mikaresepjeung mémang aya unggulna. Sanajan teuapal kana hartina, tapi angger waé betahkakupingna tur matak nyerep kana haté.Tah, di dinya unggulna,” pokna.

H. Suharjanto nu kiwari mupuhuanLingkung Seni Riung Mungpulung, mé-mang micinta pisan kana seni Sunda, lan-taran lagu-lagu Sunda mah bisangahudang sumanget. Boh sumanget keurhadé ka sasama, ogé sumanget kana gawénu rancagé. “Lagu Sunda matak ngahu-dang sumanget, matak betah haté, ngaju-rung sangkan hadé ka sasama,” ceuk ieupagawé Telkom manten téh.

Lingkung Seni Riung Mungpulung, di-adegkeun dina ping 6 Agustus 2005 diKomplek Riung Bandung Permai Ban-dung. Luyu jeung kamekaranana, ieulingkung seni, lian ti manggung dina ka-giatan kaagamaan, ogé sering diondang kupihak pamaréntahan, masarakat umumogé média éléktronik séjénna, sapertinawaé di TVRI Bandung, RRI Bandung, kan-tor-kantor kacamatan, Telkom, ogé kasakola-sakola.

Lingkung Seni Riung Mungpulungterus mekar. Sanajan dikokolakeun ku nungalumbara di tatar Sunda, tapi teu leungi -teun sumangetna. Kituna téh, lantaranbogoh jeung boga karep, sangkan nu ngan-jrek di tatar Sunda kudu leuwih nyaahkana seni Sunda. *** (RH)

Manglé 2454

Para juru kawih jeung anggota kacapian Lingkung Seni Riung Mungpulung

Lian ti manggung dina kagiatan kaagamaan, ogé sering mang-gung dina kagiatan-kagiatan sosial masarakat

ngarti omongan.

Mun téa mah kudu kedal ucap,tetep kudu diungang-ungang,sangkan teu ninggang kana pari -basa, abong biwir teu diwengku,abong letah teu tulangan. Da, munlisan teu merenah, bisa jadi mataktugenah nu ngadéngéna atawacopelna, ngarasa panas daun ceuli!

Loba (teuing) nyarita, oge teukaasup hadé! Tapi, pangaruh‘tetempoan’ ge teu gampangdisingka han. Catur tanpa bukur,ukur dipake alat ‘pamulas’ sangkannu didagangkeun payu. Perkara,ajén bisa waé nyalidung kana keke-capan, wantun galeuh teu wantunulah geuleuh.

Kamahéran nyarita kiwari mahmoal burung kahucuhkeun. Kariprakna, rék ngaliwatan hp, rékinter net. Kitu deui saluran nu di-paké kari milih, twiter, facebok,email, jeung sajabana. Di dinya, bisangucap jeung ‘ngecap’ sakahayang.

Di dunya maya, cacarita bisasahinasna. Duka di mana merenah -keun kekecapan ki dalang nunyebut keun sabda kudu diungang-ungang teh? Atuh paribasa kuduhawara pikir leuir biwir ogé, boageus kaasup padika cacarita numistina ditudeun di museum.

Pentingan ngungang-ngungangsabda, kaasup universal. Apan lobapisan inohong sohor ti satung kebingjagat boga pamanggih ngeuna anpentingna kekecapan. Apan, saperticeuk George Elliot, dina SpanishGipsy,”Kekecapan kuring boga jang-

jang, tapi teu diantep hiber ka manawaé sakahayang kuring.”

Pangaruh omongan, mémanggeus pada mikawanoh. Apan, lobakekecapan nu ogé ngingetansangkan teu sagawayah cacarita.Saperti ceuk omongan nu dicutat kuLewis C. Henry gé, “Kekecapan dinabiwir bisa leuwih lemes batan man-tega, tapi bisa perang rongkah dinahatena; kekecapan gé bisa leueurbatan minyak tapi ogé bisangalantaran keun maranéhna ngalu-gas pedang.”

Omongan bisa ka bala ka balé.Bisa keur rupa-rupa kapentingan.Pangaruhna deuih, bisa teptewéwét, bisa ogé reuhreuy. Upamamingkin dieu loba nu teu percaya kaparapamingpin, ogé lantaran ku-ciwa ku omongan-omonganana.Sabda nu diungang-ungang, tétélaukur panglilipur ti luhur panggung.Ari satutas anggang tina pudieum,nu kungsi dilisankeun téh duka dimana ngancikna. Paingan, ceukKonfusius, tokoh Cina kamashur,waktu aya nu nayakeun sual, naonnu pangheulana dipilampah upamaSang Guru kaparengan ngokola keunnagara, jawabanana téh tandesnaker, “Ngalelempeng basa!” Sabab,cenah, mun basana henteu lem-peng, nu diomong keunan ana lainnu dimaksudna; mun nudiomongkeun lain nu dimaksudna,nu kuduna dipigawé gé moal di -pilampah! Atuh, Mahatma Gandhigé mairan! Cenah, piara pikiran an-jeun, lantaran bakal mangaruhanomongan anjeun; piara omongananjeun lantaran bakal mangaruhanparipolah anjeun...” ***

Goréng (ku) OmongKu Ensa Wiarna

48 Manglé 2454

Ti baheula gé, karuhun mahgeus ngahucuhkeunsangkan daék cacarita. Ulah

ukur dikemu, lantaran cenah,hadé ku omong, goréng ku omong.Men ding bruk-brak, daékngedalkeun eusi haté sangkan nudikemu kanyahoan ku nu diajaknyarita.

Ngan, tangtu deuih, teu sing asalnyarita. “Ulah saomong-omongna,mun lain omong keuneunana; ulahsadéngé- déngéna, mun laindéngékeuneun ana,” ceuk emaparaji. Papatah kawas kitu téhdiajar keun ti mimi ti jabang bayigubrag ka alam dunya. Mana kitugé, meureun, nu dipapatahkeun téhkacida penting na pibekeleun si étabudak sanggeus bisa nyarita jeung

Pentingan ngungang-

ngungang sabda, ka -

asup universal. Apan

loba pisan inohong

sohor ti satung kebing

jagat boga pamanggih

ngeuna an pentingna

kekecapan. Apan,

saperti ceuk George El-

liot, dina Spanish

Gipsy,”Kekecapan ku -

ring boga jangjang, tapi

teu diantep hiber ka

mana waé sakahayang

kuring.”

Manglé 2454 49

Harita téh saminggu tas lebarankuring sakulawarga ngabringarindit nganjang ka lembur,

maksud téh rek silaturahmi ka mitoha.Malum ngaran-ngaran rék ngan-

jang jauh, babawaan téh teu cukup kusakoper, angkaribung sagala dibawa.

Kendaraan nu dipake harita BeusSuburband. Panumpang kacidalobana malum tos lebaran loba nuperlu. Rét nénjo ka tukang kana bahasimetet ku babawaan panumpang.

Kira-kira geus tilu jamna kakaraanjog ka lembur, teu eureun di Termi-nal da kabeneran lembur téh ayanasaméméh Terminal.

Sanggeus reureuh harita téh, ku -ring jeung pamajikan kakara guar-guar koper katut tas. Baju nu dinakoper dikaluar-luarkeun ngarah teuawut-awutan, diteunteun dina lomarikosong, da kabeneran kolot téh soknyadiakeun kamar jeung lomarina nukosong, piparantieun barudak ngan-jang basana téh.

Geus beres meresan koper tuluymukaan tas ABC. Barang tas dibuka,kuring ngajenghok pacampur kagétsarta kuring nyalukan pamajikan. Pa-majikan barang nempo polah kuringkitu, tuluy nyampeurkeun barinanyakeun aya naon cenah,samarukna pamajikanana mah ayaleuleungiteun baé meureunan, sababnénjo kuring walahwah-weuleuh-weuh.

Barang pamajikan nénjo, olohokdeuih manéhna ogé, jeung reuwascenah sabab lain barang manéhna,tapi barang berharaga nu batur, da aribabawaan mah ukur barang nu teupararuguh.

Sajeroning kitu téh kuringngomong ka pamajikan: “Ku lalawora

nya ieu jelema téh, barang bawa nuberharga maké tas ABC, jeungneundeun na lelewodeh pisan dina ba-hasi deuih.

“Muhun nya Pa,” témbal pama-jikan.

Atuh ayeuna mah urang buru-burubaé anteurkeun deui ka Terminal,sugan jeung sugan aya kénéh mobilna,kabeneran deuih ngan ukur nepi kaCibubur narikna téh.”

Pamajikan unggeuk.Biur baé kuring indit kana motor

dianteur ku adi. Teu kungsi lila geusnepi ka terminal. Bereh aya mobil nudiriung-riung. Dina hate geus teg bae,moal salah deui tangtu ieu mobil téhnu ditumpakan ku kuring tadi.

Barang geus deukeut kana mobil,kadengen siga nu keur paloba-lobaomong, gancang disampeurkeun.

Kasampak téh enya bae supir keurpada nyarekan. Atuh teu antaparahdeui gajleng bae kuring luncat tinamotor nyampeurkeun bari nyuay-nyuay jelema bari tetelepek nanya ayanaon-aya naonna.

Derekdek bae eta jelema nu tasnyarekan supir téh ngomong malik kakuring.

“Abdi téh Pa panumpang ti Ban-dung, cenah; ngabantun tas ABC eusi -na tas téh perhiasan, sedeng tas nucikeneh dina bahasi ari dibuka lebetnaukur sobrah sareng barang nu teupatos berharga, nya neken ka keneksareng supir. Teu ati-ati mikeunbarang téh. Padahal tas abdi mah di-gantetkeun jeung koper, henteuditebih keun. Eta goblog kenekna wengopenang kanu sejen barang bikeuntéh” Ngomongna kitu bari morongos-morongos bae ka kenek.

Barang geus tamat ngomongna eta

panumpang Suburband, tuluy kuringngamimitian nyarita sarta dijentre -keun. Yen ayeuna mah tos bae ulahjanten perkara itu ieu, sabab barangmah moal leungit. Ngadenge omongankuring kitu téh eta panumpang téhmorongos deui ka kuring.

“Make nyebutkeun moal leungitkumaha, geus puguh bukti barang eu-weuh!”

Tuluy ku kuring distop deui barileu ngeun pepeta sangkan manehnaeureun ulah norostos bae ngomong.

“Kieu ayeuna mah nya Pa,perkawis barang aya di abdi, margi etatas téh pagentosna sareng nu abdipisan”.

Éta mah barang ngadengeomong¬an kuring kitu, nu kaleungitanbarang tea mani olohok meunangsakedapan mah. Sanggeus kumpuldeui pangacianana mah, pok ngomongka kuring bari ngageubig-geubig kanaawak.

“Leres Pa, leres?” pokna téh.’’Sumuhun Mangga bae ayeuna

mah ngiring sareng abdi. Tuluy kukuring dibawa leumpang ngajugjug kaKi Adi nu keur nungguan motor.

Eta mah barang nenjo tas nu keurdikeukeuweuk ku adi, ngan berebetbae lumpat satengah notog-notogkeunmaneh, bawaning ku atoh meureun.

Geus kitu mah manéhnaseuseurian, ajrag-ajragan barinyunyu hun tas nu leungit tea, manipok deui pok deui nganuhunkeun,malah mere alamat ka kuring kudunganjang ka imahna.

Kadenge supir ngagerendeng: ”Al-hamdulillahirobbilalamiennnnn.”pokna téh mani panjang, bari ngusapbeungeut.

***

50 Manglé 2454

Pahili TasKu Dicky Aryanto

NgaitKira-kira pukul lima sore, uing

mariang jeung Ki Wahid, ngajugjugCurug Masigit, da memang di dinyatempat uing jeung Ki Wahidngalaksana keun “hobi” nya etanguseup. Teuing ku loba deuihlaukna di dinya mah.

Ku uing moal dicaritakeunlalakon di jalanna mah, nepi we kaCurug Masigit. Uing mapay sisi beu-lah katuhu, ari ki Wahid meuntasmapay sisi beulah kenca.

Kira-kira lalakon udud sabatangroko kretek, geus aya dalapan sikilauk anu beunang: hampal, kancra,jeung senggal.

Barang useup ku uing dieupan -keun deui ka uter-uter, belewer di-alungkeun ka sisi beulah kenca,kurunyud disanggut.

Uing kaget, na mana gasik-gasik teuing lauk teh? Biasa kuuing dikenyed saeutik, laukngerenyed, sarta useup karasadibawa ka hilir.

“Beu, na lauk nanahaon ieu tehmana bedas-bedas teuing?” Teg wehkencara indungna, pasti sagede bitissakurang-kurangna oge. Useupnabeuki dibawa ka hilir. Na anagorowok teh, dibarengan ku aya anungagujubar ka cai.

“Ceuli aing kakait!” cenah. Uingreuwas, tapi sidik eta sora Ki Wahid.

“Naon?”“Ieu useup ngait!” pating

gorowok, sabab gandeng ku seahnasora curug.

Barang geus deukeut kakara sidik,kitu oge didamaran ku kerekan, ceuliKi Wahid getihan. Sigana uing tarikteuing ngalungkeun useup, milepaskana ceuli Ki Wahid. Cenah manehnagegeroan, tapi weleh teu kadenge kuseahna sora curug.

Kapaksa uing baralilk we, dauseup na mageol dina ceuli Ki Wahid.Talina diteukteuk, guyan-gayunkawas dianting. Dicabut ruruhitnangait, Ki Wahid kalah beuki dedenge -kan.

MinasCigadung – Subang

PanghakankeunIeu mah pangamalan ki Sobat,

harita teh keur mimiti usum sapatumodel hak jangkung, di mana manapara pamuda ampir kabeh marake.Ari Ki Sobat lain teu hayang nurutan,ngan sapatu anu dipakena masihkeneh alus jaba teu boga duit ongkohkeur meulina. Tapi kulantaran em-bung katingaleun jaman, nya haknateh rek dijangkungan deui.

Poe Minggu isuk-isuk kenclingmanehna indit neangan tukang sol kadeukeut alun-alun, angkanan mahngarah bisa dipake ulin Mingguna.Sapatu dibungkus ku koran, arimanehna ngan make sendal capit.Sangegus manggihan tukang soltuluy manehna nyampeurkeun baripok ngomong.

“Mang, cing panghakankeun sap-atu, sabaraha ongkosna?” baringomong kitu teh song sapatunadibikeun bari dibuka bungkusna.

Tukang sol anu masih kenehbebe res asa diheureuyan, gantawangnyarekan: “Bebel siah ngaheureuyan!Dibere duit sajuta oge aing moaldaek!”

Ki Sobat sakedapan mah nganngahuleng dumeh kaget, sanggeuskapikir tetela salah harti, pokmanehna ngomong:

“Ih ari Si Emang, sanes dihakan diemam, tapi dijangkungan deuihandap na model jaman ayeuna geu -ning.”

“Euh ari sugan Emang teh ... heh... heh ...” tukang sol balaham-bele-hem.

GAra-gara embung katinggaleunjaman ampir we riributan jeungtukang sol.

“Ke heulaanan ari kudu riribu-tan jeung nu kitu mah, ruksakngaran dewek omong Ki Sobatdina hiji poe basa nanyakeun pan-galaman.***

Ariesmay LBNanggorek - Kuningan

45334

Termos SanguDina taun 1975, kuring nepangan

dunungan di kota Cianjur. Kabuminamah kuring téh kakara harita, lan-taran aya perlu anu kacida pentingna.Nu matak ka bumina ngarah salséinge tan téh.

Ti satengah dua kuring néanganbumi dunungan, kapanggih sate ngahopat, sabab salah nanyakeunjenengan ana. Sedengkeun ti isuk ku -ring can dahar, ngan cék pamikir téhpiraku dunungan teu nawaran dahar.

Sanggeus amprok kuring unju -kan panjang lebar, sakumaha anudimaksud ku kuring.

Nya ahirna dunungan tehnawaran da¬har.

”Ah sawios Pa,” jawab kuring,padahal beuteung mah lapar.

Tapi dunungan teh surti kuringapi-api teu hayang, terus anjeunnamiwarang istri na nyadiakeun daha -reun. Sanggeus sadia kuring dipiwa -rang ka tempat dahar. Mimitina mahkuring rada era, tapi ku lantaran beu-teung maksa, nya era-era oge kuringindit.

"Barang geus nyanghareupandaha reun, kuring cicing sajong -jongan, sabab sanguna can aya. Teukungsi lila dunungan ngahayohkeunmiwarang dahar.

Kuring beuki bingung, ari deu -ngeun sanguna loba, ari sanguna eu-weuh, ngan aya termos deukeutpiring teh. Ku lantaran bingung gapkuring teh nyokot goreng tahu.Barang keur didahar, torojol istrinabari sasauran:

“Hayoh atuh geura pek, tongkagok-kagok, da ibu mah atoh!”

Istrina nyaur carogena, dununganku¬ring tea : ”Pa, hayoh atuh sinaneda!” Teu kungsi lila jol dununganbari pok sa sauran: ’’Hayoh atuhdahar teh! Sugan bapa mah geusanggeus!”

Kuring teh era-era oge pokngomong : ’’Sanguna teu acan aya.”

Na ari barakatak teh anjeunna-gumujeng : ”Ari maneh, dasar jelemakakara ka kota, ari ieu dina termosapanan kejo, lain es!”

”Har, sangu ?” Jawab kuring bariteu sadar, ’’panginten teh termos es.”

Kacida kuring erana, horengsangu teh dina termos.

Email SulaemanDukuh - Cianjur

Manglé 2454 51

Anu NimuGuru: “Cik Sinta ka hareup. Cobatunjukeun dina gambar peta ieumana anu disebut benuaAmérika?”Sinta: “Tah ieu, Pa!”Guru: “Bener. Ayeuna Adun se-butkeun saha anu nimukeunbenua Amérika ieu?”Adun: “Ih gampil Pa guru. Nyajelas Sinta atuh.”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

Bakat ku KeuheulGuru: “Cing saha anu apal naonnu dimaksud duit panas?”Barudak: “Duit anu kabeuleumPa!”Guru: “Hartina mun kitu mah nudimaksud duit tiis teh...?”Barudak: “Duit dina jero es!”Guru: “Nya geus wé bener lah!”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

SaruanaAlo: “Mang nambut motor nyasakedap, badé moto copi!”Emangna: “Kapan Alo mah canbisa tumpak motor lain?”Alo: “Sumuhun Mang.”Emangna: “Jung waé. Tuh itukoncina. Ngan omat ulah di-

tumpakan nya?”Alo: “Ih ari Emang? Muhun atuhda Alo gé gaduh émutan. Nyabade ditungtun ku Alo gé.”

Déni HamdaniDepan Terminal Cileunyi 87 A

Kabupatén Bandung

Jeung Si AkiNinina: “Loba nu bébéja ka Ninimajarkeun manéh sok ngintip numandi di walungan. Bener étatéh?”Incuna: “Bener Nini. Ku naonkitu?”Ninina: “Ambuing... Teu meu-nang kitu peta téh pamali.Manéh téh leutik kénéh deuleu.Kumaha teuing ambekna munAki manéh nyahoeun.”Incuna: “Ah da ngintipna gebareng jeung Si Aki.”

Déni HamdaniDepan Terminal Cileunyi 87 A

Kabupatén Bandung

Adun SumbangWartawan: “Kumaha pancakak-ina sadérék sareng Doel Sum-bang téh?”Adun Sumbang: “Ah teu ayahubungan nanaon. Kumahakitu?”Wartawan: “Pédah wé jenengansadérék Adun Sumbang?”Adun Sumbang: “Lah éta mah

lalandian ti barudak pamuda anuteu aleucreug. Majar cenah munsim kuring nuju ngahariring sokteu ngeunaheun kana cepilna.”

Déni HamdaniDepan Terminal Cileunyi 87 A

Kabupatén Bandung

TarompetOmon : "Mang meser tarompet."T.dagang : "Pek milih!"Omon : "Meunang dicobaanmang."T.dagang : "Sok."Omon : "Naha teu disada ningmang!"T.dagang : "Ditiup atuh! Laindipekprekan ku batu kitu,ngaruksak ning!"

Dodi IrawanBabakansari No. 88

Samarang Garut

Roti+ Ko, roti sabarahaan? - Goceng. + Tong goceng atuh, gogorancawe! - Haiya! Sabalaha gogolanca,teh? + Ari goceng sabaraha? - Goceng mah lima lebu... + Nya gogoranca mah opat rebu!

Noor Mulyani - Antapani 23

TanahUdin : Wa haji bade ka mana..?Wa haji : Ka bale desa.Udin : Bsde naon wa?Wa haji : Nguruskeun jual beuli

tanah.Udin : Milu uing ge reknawarkeun tanah sugan we laku Wa haji : Mana tanah nu maneh?Udin : Tuh itu dina karung...

Noor Mulyani - Antapani 23

Guru AnyarGuru : "Saha namina ieu?"Murid : "Ujang..."Guru : "Ari Ujang anak saha?"Murid : "Anak bapa."Guru : "Maksad ibu, nami bapaUjang saha?"Murid : "Enya, bapa."Guru : "Hhmmm, kumaha emamun nyalukan bapa Ujang?"Murid : "Euuuh, borokok!"Guru : Euuhh... si Kabayan ning.

Dodi IrawanBabakansari No. 88

Samarang Garut

Poho"Ma, Ujang angkat heula, Assala-mualaikum!" Ceuk Ujang suntangan, tuluy ngaleos."Na ngadon asup deui ka kamar,laina indit ka sakola?" Tanya in-dungna."Aeehh poho.”

Ella KartikaSasak Gantung-lengkong

NgejahBu guru : G+A+J+A+H dibacajadi naon?Murid 1 : GAJAH... bu guru.Bu guru : LamunH+A+R+I+M+A+U dibacana

jadi naon?Murid 2 : Bu guru abi terang(bari ngacung)Bu guru : Janten naon dibacana?Murid 2 : MAUNG bu guru.Bu guru : Kumaha maneh we.

Ella KartikaSasak Gantung-lengkong

BejaanDudu : Pa engke lamun geus jam8 bejaa nya!Udin : Rek ka mana kitu?Dudu : Rek sare pa, bisi sakolakabeurangan.Udin : Enya atuh engke dibejaan,ari ayeuna rek ka mana heula?Dudu : Rek sare heula.Udin : Enya atuh jig, engke jam 8dihudangkeun lamun rek saremah.Dudu : Muhun pa.

Meta Melia - Jl. Banteng 122

JomloIbro : ngajomlo teh geussabaraha taun.Nunu : Dua tahun bro, semenjakputus jeung neng Rina.Ibro : Euuhh maneh mah elehkeneh ku sendal uing geusmenang pasangan deui, leungitsabulan oge.Nunu : Naon siah! Uing disaru-akeun jeung sendal!

Meta Melia - Jl. Banteng 122

NgacayIma jeung Budi keur ngobrol,tuluy katinggali si Ojo ngaliwatmake motor anyar...Ima : Na teu ngacay ninggali siOjo, geus ganti deui motorna?Budi : Uing mah moal ngacaypedah si Ojo make motor atawamobil anyar ge, ngan hiji numatak uing ngacay mah..Ima : Naon tah?Budi : Uing mah bakal ngacay tehlamun sarena nyangigir.

Afriliani - Jl. Bima no. 113

Obrolan di dapurAdo : Air mendidih tandanyasudah masak... (bari olohokningali panci)Udin: Artina?Ado : Hartina uing pangninyuhkeun kopi...

Afriliani - Jl. Bima no. 113

Ngaran Budak“Tong sagawayah mere ngaran

budak teh euy, sabab bisa nang-tukeun kana pacabakananaengke kahareupna.”“Contona?”“Tong jauh-jauh eta tatanggaurang, Mang Banban jadi tukangtambal ban, Mang Gareng jaditukang sangu goreng, Ceu Alajadi tukang dagang bala-bala.”

M. Kodir IsmailJl. Ciharegem No. 23

RT 05/04 Bandung

Sari jeung Pudin“Maneh mah teu baleg. Cenahboga budak teh ngan hiji, Tapicenah budak teh ngaranna Sarijeung kamari ngaranna Pudin,mana nu bener?”“Hiji boga budak mah, ngan bogadua nenehan.”“Sari jeung Pudin? Asa teunyarambung.”“Ngaran aslina mah Saripudin,ngan mun peuting sokngakukeun Sari, mun beurangngakukeun Pudin.”“Beuh!”

M. Kodir IsmailJl. Ciharegem No. 23

RT 05/04 Bandung

UlanganPa Guru: “Ayeuna urang ulan-gan, kaluarkeun keretasnasalambar!”Murid I: “Namina serat, Pa?”Pa Guru: “Muhun.”Murid II: “Kelasna serat Pa?”Pa Guru: “Muhun.”Murid III: “Alamatna serat Pa?”Pa Guru: “Muhun ...!”Murid IV: “Jenis kelaminna seratPa?”Pa Guru (keuheul): “Gambar!”Murid (kabeh): “HAH?”

M. Kodir IsmailJl. Ciharegem No. 23

RT 05/04 Bandung

Si JangkrikBobo: “Jir, gaya kitu eta hapemaneh. Android panganyarna?”Dodo: “Heueuh, hargana oge 4juta! Layar sentuh, kamera 10megapiksel, OS panganyarna, in-ternetan gancang, desain ele-gant.”Bobo: “Ari nu pangmindengnaeta hape sok dipake naon?”Dodo: “Nelepon atuh ari kan-garanan hape mah! Sok diajarbodo ari nanya teh.”Bobo: “Oh, sarua atuh ari min-deng dipake nelepon mah jeung

hape Si Jangkrik ieu nu uing, nuhargana ukur 200 rebu.”

Aceng MuhammadJl. Raya Kopo Sayati No 127

Bandung

GadgetA: “Tah tingali gadget anyar uingIphone 5 Apple, hape pangcang-gih-canggihna !”B: “Ah, angger eleh ku IpadApple uing mah, hargana ogeleuwih mahal.”C: “Ah, uing mah komo boga sak-eresek weuteuh keneh di imah!”A+B: “Jir, gaya kitu nepi ka dik-eresekan, meunang timana?”C: “Meunang meuli indung tipasar, apple 2 kilo teh weuteuhkeneh can kadahar.”

Aceng MuhammadJl. Raya Kopo Sayati No 127

Bandung

TabletArdi: “Urang teh hayang meulitablet, tapi merek naon nya nualus? Samsung, Apple, Black-berry atawa naon?”Gege: “Hese-hese teuing, hayangtablet nu alus jeung matih mahatuh nanya wae ka dokter, ke di-akurkeun jeung panyakitmaneh!”

Aceng MuhammadJl. Raya Kopo Sayati No 127

Bandung

Gedung Sate“Ulin ka gedung sate, sugan teh

enya loba satena. Nu puguh mahloba nu tukang tipu jeung tukangbohongna wae. Enya geura pekpikiran, pajar gedung sate, tapisatena euweuh. Aya oge sasateanbohong dina suhunan.”

Abud SaepulohJl. Sayang No. 57RT 03/01 Sayang

Jatinangor - Sumedang

Sabot di Jalana “Peuting-peuting. Kira-kira jam10-an. Nyetiran teh rada nundu-tan, jaba cape tos baranggawesapoe jeput. Aya awewe gugupayngeureunkeun. Kaciri seksi jeungbahenol. Reg mobil eureun. Teukudu dititah awewe teh asup so-rangan.“Hey Aa ganteng...” ceukmanehna sora lalaki.Gebeg. Cilaka salah sasaran.

Abud SaepulohJl. Sayang No. 57RT 03/01 Sayang

Jatinangor - Sumedang

PangsiunPajabat ulah sok asa aingbongkena keur nyekel jabatan.Tetep kakawasaan mah aya di ra-hayat. Pajabat mah aya pangsi-unna, uing mah rahayat euweuhkecap pangsiunna. Abadisalawasna.”

Abud SaepulohJl. Sayang No. 57RT 03/01 Sayang

Jatinangor - Sumedang

UWANG JAJAN TI PA DADANG MULYANA

Alhamdulillah dikadarkeun jelema téh bisa seuri. Ti karékbrol tos bisa ngagelenyu duka seuri jeung saha, teu jadi soal.Tah nu jadi soal mah indung jeung bapana. Nempo budakseuri ngilu seuri. Aya batur bisa ngabodor jadi seuseurian.Aya batur nu lakuna teu parok jeung batur, jadi ngilu nyeung -seurikeun. Kitu ogé sok aya nu pikaseurieun, aya nu ngajakseuri, nu sura seuri atawa seuseurian sorangan.

Dina Manglé anu medal sasih November 2013, no 2448– 2452, seueur pisan Hahahah anu pikaseurieun, anu ngajakseuri, aya ogé nu teu pikaseurieun. Tah ku kituna, aya numatak ngeunah seuri malah boa bisa seuseurian sora ngan, daladang nyieun pikaseurieun (Hahaha) bet kénging hadiah Rp125.000,- (saratus dua puluh lima rébu rupiah). Tiluan nukénging hadiah téh, nya tuluy saleuseurian. Éta nu tiluan téh,kahiji Sdrk. Kania Dewi Andrawati, Ds. Cikonéng Rt 02/07,Kec.Leuwi Gajah – Cimahi, anu nyerat “PIGURAN” dina no.2451. Kadua Sdrk .Budiana, jl. Pataruman 34 – Garut, anunyerat “KULKAS” dina no 2451. Nu katilu Sdrk. HusenIrawan, Antapani no. 90. Nyanggakeun mugi sing jadi da -ging***

Manglé 2454 53

54 Manglé 2454

Aya dua rupa golongan putih(golput), ideologis jeungadminis tratip. Golput ideo -

logis miang tina kayakinan pemiluteu kudu diiluan kulantaran sistempulitikna teu eucreug sapertikarandapan dina mangsa OrdeBaru. Apan Golongan Karya bakalmeunang saendeng-endeng, sana-jan pemiluna sarebu kali diayakeunoge. Ari golput administratip mah,teu milu aub kana pemilu teh pedahteu milu daptar kulantaransababaraha alesan, misalnahoroream daptar, renced kudu kaditu ka dieu jeung sajabana.

Ari kana pemilu mangsa OrdeReformasi ayeuna kumaha?Nahamending milu aub atawa mendingbahula wae ka pamarentah, alias“memilih untuk tidak memilih”,luas ngagabung jadi golput?

Ieu gumantung kana sawanganurang sewang-sewangan. Tokohrefor masi, cendekiawan pang -bengal na sa Asia Tenggara sapertiSri Bintang Pamungkas, upamana,jelas nolak sapajodogan sistempulitik kiwari nu dianggapnaangger wae teu mampuhngayakeun parobahan. Nya, kukitu -na, dalah dikumaha, mendingmilih jadi golput ideologis bolong -kotan.

Memang, golput (ideologis)pada nganggap teu realistis ku -lantaran sarua jeung milih jalanbuntu. Alesanana, mun teu miluaub kana sistem pulitik kiwari, nyakumaha atuh bisana ngayakeunparobahan?

Itung-itunganSanajan kitu, golput ideologis

lain taya mangpaatna. Masingkumaha wae, golput mangrupasikep oposisi total kana sistem puli-tik kiwari nu geus tigebrus kana

“zona stagnan”, kaayaan nu estu -ning teu aya trend ngahontalparobahan. Coba wae, mana“prestasi gemilang” partey pulitikdi DPR? Mana upaya legislasi nu

mampuh ngarobah “tata kelola pa-marentahan nu mendasar?”. Lebahdieu golput mangrupa “budayatandingan (counter culture)” kanabudaya pulitik kiwari nu jauh tinakaadaban.

Jeung deui, kaayaan pulitik ki-wari moal robah kitu wae ku -lantaran kaom pulitisi numanggung ayeuna metik kauntu -ngan luar biasa tina sistem pulitikkiwari nu mere kakawasaan sakitugedena ka DPR tempatpanyalindu ngan sawatara pulitisi“golongan hitam”. Buktina DekritPresiden Gus Dur 23 Juli 2001, numangrupa ” upaya martir seorangpresiden, meratakan tatanan poli-tik sampai ke tanah” apan teumanggapulia. Cirining tembokpulitik kaom pulitisi status quosakitu kuatna.

Puguh wae, golput oge boga“ambang batas” nu perlu dijieunitung-itungan. Masing kumaha waeoge, golput lain “pemberontak”

saperti kaom separatis, NII jeungsajabana, nu henteu ngaku kana ka-hadiran nagara urang ayeuna.Golput bisa wae aya mun seug am-bang batas kahadirananasabudeureun 20-30 prosen.Leuwihti kitu, geus kaitung bahla kanapemilu nu masing kumaha waemangrupa pasaratan lumangsung -na pamarentahan demokratis.

Leuwih ti kitu, golput nu tang-gung jawab mah tangtu wae aktipsarta produktip ngahasilkeunpamikiran jeung upaya pikeun ka-majuan jeung karaharjaan balarea.Bisa jadi, ti golongan “pertapa(aske tis)” nu teu karooh milu aubkana kakawasaan, urang bisa metiksawangan nu imbang tur obyektipkana kaayaan nu pohara mangpaat -na minangka jalan kaluar tinakaayaan ruwet saperti ayeuna.

SiasatTangtu wae golput oge boga

siasat enggoning ngajugjug udagan -ana. Masing kumaha oge pa-marentahan hasil tina pemilu moalbisa ditolak minangka wahana(sarana) kahontalna kapentinganrayat. Ana kitu, golput perlu nga-jalin “aliansi strategis” jeung babat-uranana di jero pamarentahan.

Teu beda jeung di jaman revo-lusi kamerdekaan, hususna dijaman Jepang, aya kaom revolu-sioner di jero pamarentahan(Soekarno, Hatta) jeung kaomrevo lusioner di luar pamarentahan( Syahrir, Tan Malaka) nu tetepngayakeun komunikasi, nya bisakitu di jaman reformasi ayeunaoge. Dua golongan bieu, nu pama -degan jeung siasatna beda,anggerngayakeun komunikasi, malah bisanyusun strategi babarenganpikeun kapentingan balarea. ***Karno Kartadibrata.

Golongan Putih (Golput)

Manglé 2454 55

KA GIGIR:1. Rasa reuwas anu timbul lantaraninget kana kajadian anu matak ginggia-peun4. Surat kabar7. Carita 1001 Malem9. Nu paling handap11. Setémpel12. Mesem14. Sipat Alloh16. Aksara Arab17. Laboratorium18. Maskapé penerbangan21. Ngéwa, geuleuh23. Akang (Minang)24. Paguron luhur di Tatar Sunda27. Guludug30. Sesebutan ka awéwé saluhureun31. Kuburan

KA HANDAP:1. Papasangan emur2. Téga3. Panjara4. Koperasi Unit Désa5. Pakarang urang Acéh6. Narima7. Tojoh dina pawayangan8. Geulis10. Antar Lintas Sumatra13. Melakkeun binih paré di sawah15. Aksara19. Palajaran di sakola

20. Garis22. Kapal udara anu hiberna gancang25. Bagian antara lalangit jeung suhu-nan26. Béaya28. Salahsaurang Nabi nu wajibdipikanyaho29. Hadir

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1420. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1418:

1. H. AcahJalan Jamika Gg. Bah KarsoNo. 11/184 A RT 04 RW 06Blkg Gor Baraya 40221

2. Samsi SubardiJalan Desa CipadungRT 04/07 145/28Bandung

3. Entin KuraesinJalan Galunggung 31 BTasikmalaya

1420K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

“Geus mimiti ngijih, Lo.”“Enya, Mang. Geus kudu ma-

mawa payung atawa jas hujan.”“Geus mimiti tatahar, Lo.”“Tatahar nyanghareupan caah,

Mang?”“Enya, pangpangna anu imahna

di deukeut walungan.”“Di sababaraha daérah mah

geus mimiti caah, Mang.”“Beu.”“Malah nepi ka aya korban jiwa

sagala.”“Inalillahi.”“Di urang mah usum ngijih téh

idéntik jeung usum musibahatuda.”

“Emh.”“Pasualanana éstuning

klasik,Mang.”“Alatan ruksakna alam nyah,

Lo.”“Enya.”“Bongan manusa kénéh biasana

mah, Mang.”“Teu miara alam nyah, Lo.”“Bener. Réréana alatan kurang -

na disiplin jeung kasadaran.”“Contona?”“Dina hal nu sapélé, miceun

runtah misalna.”“Masih kénéh sabarangan nya,

Lo?”“Enya, Mang. Pangpangna

miceun runtah ka walungan.Walungan masih kénéh dianggapjarian.”

“Kasaksian pisan ku sorangan,Lo.”

“Kasaksian kumaha, Mang?”“Bieu ngaliwat ka walungan.”“Pinuh ku runtah nya, Mang?”“Bener, Lo. Tapi aya nu leuwih

kacida.”“Kacida kumaha, Mang?”“Aya nu miceun korsi urut ka

walungan.”“Ambuing.”

“Padahal di batur mah réa anungeruk walungan, sangkan dinausum ngijih ayeuna ulah nepi kacaah.”

“Nyaéta, sok pakepuk ari datangngijih téh.”

“Padahal kuduna mah pakepuktéh dina usum halodo nya, Lo.”

“Bener, Mang. Sangkan dinausum ngijih urang teu hariwangteuing da geus ditataharkeunanggalna kénéh.”

“Lian ti perkara walungan, parapatani ogé pakepuk, Lo.”

“Pakepuk kumaha, Mang?”“Pakepuk melak binih tatanén.”“Har?”“Lantaran aya pamaréntah

daérah anu méré saran sangkanpatani ngamajukeun jadwalpepelakan ana.”

“Maksudna?”“Sangkan saméméh datang pun-

cak usum ngijih patani geus bisapanén. Lantaran biasana dinausum ngijih mah sok réa patani anugagal panén.”

“Lamun kitu mah urang anutara katarajang musibah ogé geuskudu tatahar, Mang.”

“Tatahar kumaha, Lo?”“Tatahar ngabantu dulur urang

anu katarajang musibah alambalukar datangna ngijih.”

“Yaktos.”***

Usum Ngijih

56 Manglé 2454