Mangle 2470

57

description

 

Transcript of Mangle 2470

Page 1: Mangle 2470
Page 2: Mangle 2470

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-

marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM

Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S, Ade.

Hak jeung kawajiban warga nagara mah sarua.Satata! Taya nu istiméwa! Kitu kalungguhanmasing-masing sélér bangsa di ieu nagri gé.

Kumaha ari urang Sunda? Nya tangtu wé, kawas sélérbangsa séjénna di Nusantara, satata téa.

Najan kitu, dina ‘babak’ kapamingpinan lima taun -an mah, sélér bangsa nu jumlahna leuwih loba téh bisaboga kapunjulan. Lantaran, dina pilihan langsung keurpamingpin, kakuatan rahayat téh rohaka naker.

Dina pilihan umum unggal taun, sora rahayat bogakakuatan anu rohaka. Masing-masing sora bakal jaditanaga dina nangtukeun pamingpinna. Hartina, leuwihloba jumlah padumukna, kakuatanana ogé bakal leuwihtohaga. Nilik ka dinya, pantes pisan upama urangSunda boga kakuatan dina nangtukeun kapamingpinannasional. Padumuk Sunda nu jumlahna kadua pan-globana di Nusantara, samistina jadi gambaran kaku-atan urang Sun da di Nusantara anu dibalitungkeun kupihak mana waé.

Upama urang Sunda ngarasa boga kamampuhan nusatata jeung sélér séjénna di Nusantarana, mémangmerenah. Malah, nilik kana poténsi nu nyampak, tatarSunda téh tetep dibalitungkeun ku pihak séjén. Apan,rupa-rupa kagiatan partéy pulitik nu sipatna nasional,loba nu milih Bandung (Jawa Barat) jadi tempatngélébétkeun bandérana. Hartina, Tatar Sunda téhboga pangaruh keur pihak-pihak nu boga karepngalalakon di tingkat nasional.

Mitra Manglé, Tumali sareng kalungguhan Sunda di Nusantara,

Manglé nomer ieu édisi 2470 rubrik tamu, ngolonganpamendak Dr. Deden Ramdan, M.Si., Wakil Rektor IIIBidang Kamahasiswaan & Alumni Universitas Pasun-dan (Unpas) Bandung. Inyana mah yakin, urang Sundagé loba nu pantes jadi pamingpin di tingkat nasional.Asal, cenah, urang jeung urang bisa silihrojong, silih -gedékeun. ***

Lain Bangsa Kelas Dua

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2470

LAPORAN

Kang Uu

Umajak Nguatan Jatidiri Sunda

........................................................... 8

IMPLIK-IMPLIK

Hj. Ella Girikomala;

Di Swiss Tibelat ka Tatar Sunda

........................................................ 10

M. Budiana, S.Ip., M.Si.

Babakti ka Nagara

Maslahat keur Balaréa .................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 51

Bale Bandung .................................... 50

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Dr. Deden Ramdan, M.Si.;

Sunda Lain Bangsa Kelas Dua

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Angin soré suar-séor, ngotélan dapurangombong. Langit reueuk dipasieup

geleger gelap lapat-lapat. Uncuing man -ting ti jauhna mirig kosrékna léngkah

mapay tanjakan jalan satapak. Ngahajacunduk ka ieu wengkon ninggang dinalain mangsa ambéh nyalsé tur karasa

khusuna dudunga. Rekét panto bébékanawi ngahudang kukurayeun tapi keur

kuring teu béda ti wirahma kakangen....

Karémbong Sutra Kayas

Redaksi Majalah MANGLÉ nampi mangrupi-rupi seratan ti mitra MANGLÉ, bohfiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: [email protected] cc: [email protected] seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratankaryana tangtos kenging honor.MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sarengsaran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)

JAGAT WANGWANGAN

(Kaca 17-40)

Page 4: Mangle 2470

3Manglé 2470

KKacaTilu

Tionghoa téh Cina

Dina urusan nyanghareupanCina moal aya bangsa anu ri-weuh sakumaha anu kaala-

man ku Indonesia. Lain dina urusandiplomasi atawa dagang. Ieu mahdina lebah sesebutanana.

Siga teu pira, tapi nepi ka jadiurusan nagara. Malah lain sakali duakali. Keur anu kungsi ngalamansaméméh kajadian 30 Séptember1965, nu ilahar harita sesebutanurang ka Cina téh nyaéta Tiongkokjeung Tionghoa. Nyebut Tiongkok kanagarana (istilah resmina RepublikRakyat Tiongkok, RRT), ari kabangsana nyebutna téh Tionghoa.Éta téh dumasar kana kaputusanresmi ti nagara. Tapi papadaningkitu nyebut Cina gé ilahar. Jeung teujadi masalah.

Urusanana jadi béda sanggeusngadegna Orde Baru. SesebutanTiongkok jeung Tionghoa diganti kuCina. Nagarana disebut RepublikRakyat Cina, RRC), kitu deui kabangsana. Nu nyebut Tiongkokjeung Tionghoa geus teu patikadéngé, dina ayana gé ngan sakali-kalieun. Kadieunakeun anu sok nye-but kénéh Tiongkok téh diantaranaDahlan Iskan.

Tapi sesebutan Cina (jeungkumaha nuliskeunana téh) ahirnajadi masalah. Aya anu nulis Cina ayaogé anu China. Di sagigireun éta sokayaa deui anu iinggrisan, nyebutnaChinese. Pangna jadi kitu téh lan-taran cenah aya sawatara urang Cinaanu teu tarima lamun disebut Cina,hayangna China. Naon bédana?Cenah sesebutan Cina mah ngahina,

ari China mah henteu. Kumaha nepika bisa kitu? Naon sababna urangChina ngarasa dihina lamun disebutCina?

Nurutkeun aturan éjahan diurang kiwari mémang anu benermah lamun ditulisna Cina. Tapi lan-taran ngaragangan ka anu teu panu-jueun téa, aya anu keukeuhnyebutna China. Anu kitu téh kaasupkoran Kompas. Padahal dina tra-disina mah ieu koran téh salawasnatukuh kana aturan éjahan basa In-donesia. Lebah nuliskeun Chinamah cenah aya patalina jeung urus -an dagang, babakuna iklan. Dukanaha bener lamun nulisna Cina ik-lanna bakal saat atawa ngan kasieu-nan wungkul.

Boh nulisna China boh Cina,sababaraha kali diadurényomkeundina tulisan. Rupa-rupa pamanggih -na téh, sanajan taya hiji gé kacin-dekanana.

Duka lantaran merhatikeunpolemik duka pédah diharéwosan kuDahlan Iskan, ahirna mah pamarén-tah SBY kalawan resmi netepkeunaturan. Lain China atawa Cina,cenah anu bener téh Tiongkok jeungTionghoa. Hartina, balik deui kanakatangtuan jaman Orde Lama. Jaditi mimiti ayeuna mah resmina téhlamun nagarana Tiongkok, lamunbangsana Tionghoa.

Aya anu anéh sabenerna mah.Salian ti urang pribumi, di urang téhteu kurang-kurang turunan bangsadeungeun anu geus jaradi wargana-gara Indonesia. Aya urang Arab, ayaurang India, aya urang Pakistan.

Tapi keur nu ieu mah sesebutananatéh saumurna gé teu kungsi jadimasalah. Ka urang Arab nyebut téhti baheula nepi ka ayeuna, nya Arabbaé. Ka urang India nya kitu deui.

Sigana mah nyokona téh dinasikep nagara urang anu néplaksakumaha anu kajadian dina jamanWalanda. Harita, ku pamaréntahkolonial urang Cina nu araya diurang diperenahkeun kalawanhusus, nyaéta dina urusan ékonomi.Sikep kitu téh terus lumangsungnepi ka kiwari.

Ti jaman Orde Lama gé mémangperkara urang Cina nu aya di urangtéh jadi masalah. Harita mah aya nudisebut hoakiauw, nyaéta urang Cinanu araya di urang. Mimiti teu meu-nang aya warganagara dobel, Cinaongkoh Indonésia ongkoh. Kudumilih salasahijina. Nepi ka kungsikajadian anu milih warganagaraCina dijurung sina baralik ka ditu.Tuluy aya deui aturan supaya ngaranCina diganti jadi ngaran Indonesia.Sanajan aya anu nurut, upamanaSoe Hok Djin jadi Arief Budiman,teu kurang-kurang anu keukeuhmaké ngaran Cina, malah nepi kaayeuna, upamana waé Kwik KianGie. Padahal Kwik Kian Gie, henteukahalangan ku ngaranna, apankungsi jadi mentri dina pamaréntah -an Republik Indonesia. Sanajanngaranna angger Cina, tapi da jalma-jalma pantar Kwik mah geus sagem-blengna ngarasa jadi bangsaIndonesia, cenah.

Jadi naon bédana atuh antaraCina jeung Tionghoa téh? AM

Page 5: Mangle 2470

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Sampurasun!Kumaha damang Nyi

Manglé? hapunten awistepang pisan sareng NyiManglé. Ma’lum simkuringayeuna ngalih pancén tugaska luar Jawa Barat. Atuhmendakan Manglé ogé soktina Facebook waé.

Nyi Manglé, simku ringkataji pisan ku sapalih ka-mandang Manglé nudipidang keun dina facebookmajalah sunda mang lé. Dianta wisna ngajak barayasang kan ulah kaduhungjaga, boh dina widang poli-tik, ékonomi atawa dinawidang sosial. Keur simkur-ing mah, éta téh kacida pent-ingna keur kamajuan urangJawa Barat.

Simkuring ogé kantosmaos situs Manglé nu mi-dangkeun lahan tatanén diJawa Barat nu beuki dieubeuki ngaheureutan. Lahangeus salin rupa. Nu tadinaBandung hawana seger,cenah geus robah jadihareudang bayeungyang.Kituna téh meureun alatanpangwa ngunan di KotaBandung nu kirang mer -hati keun lingkungan.Buktos na mé mang lerespisan. Nu kapungkurwilayah Riung Bandungjeung Gedébagé lahantatanén, pasawahan, ayeu -na jadi loba pabrik, lobawawangunan nu cenah keurrupa-rupa usaha.

Mémang nu kitu téhbakal hésé nyegahna upa masaukur ku protés warga.Margi éta téh sok paadu

jeung kapentingan pribadi.Tapi cék simku ring mahkuduna pama rén tah nugaduh ka wi jak an, masingleres-leres nata ruangpakota an nu merhatikeunling kung an.

Kitu deui dina widangpolitik. Kiwari keurmahabu na usum baligoparacaleg nu rek ancrub kanawidang politik. Atuh nungajareblag ogé lain ukururang Bandung atawaurang lemburna sorangan,dalah ngaran-ngaran nu teu‘bersahabat’ jeung ngaranSunda, apan geus jéntré.

Tah, Bandung atawaJawa Barat jadi tempatpakalangan nu ti mana nu timendi dina widang politiktéh, keur simku ring aya ka-hariwang. Pangpangna dinaurusan kanyaah kanalingkungan nu leuwihmaslahat keur balaréa.

Eta deui nu nyalon keunogé, cenah mah lolo bana nueunggeus pernah jadianggota dé wan. Hartinalamun ka pilih deui,kaayaan bakal kieu-kieuwaé, alias moal robah.

Ku ayana kitu, keursimkuring mah, umajak kasadayana sangkan ulah salahmilih jalma. Ulah jadi matakkadu hung lamun ahirna pil-ihan urang lain pimas laha-teun tapi sabalik na jadimatak pirugieun.

Kumaha ari dina widangékonomi? Enya, simkuringngabandungan téh, Ban-dung geus jadi kota Jasa.Hartina nu daragang kaBandung ogé bakal dipa-pagkeun, bakal dihiap-hiap.

Ngan, cek simkuringmah, sanajan kota Bandungkota Jasa, tapi angger kudumilih-milih jasa naon teungarobah pola jeungkaayaan Bandung nu sakituadem jeung tingtrimna.Dina harti, kota Bandunglantaran ahirna loba nubarisnis, hariwang teuinglamun ka dituna Kota Ban-dung jadi lahan korupsi,lahan nepotisme balukarbisnis nu teu uni jeung atu-ran undang-undang.

Ku kituna, simkuringmeredih ka sadayana, pang-pangna ka pihak pamarén-tah, masing bener-benerbisa ngokolakeun lem bur

kota nu martabat jeung nujujur.

Kitu deui ka wargana,dina usum milih wakilurang dina nalingakeunpamarén tahna, kadé singasak-asak.

Sakitu anu kapihatur,mudah-mudahan sasi -eureun sabeunyeureun ayamangpaatna. Atuh teuhilap, ngahaturkeun réwunuhun ka sakumna AisPangam pih Manglé nuparantos nampi ieu seratdugi ka tiasa dimuat dinaManglé.

Wasssalam,Email:

[email protected]

Manglé 24704

KKoropak

Majalah Manglé

Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan

PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.

Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé

Jalan Lodaya No. 19 Bandung.

Telepon 022-7303438,

Hp. (Tuti) 0857 21307232

1.Siti Rayati

Rp. 19.000,-

2.Si Kabayan

Rp. 12.000,-

3.Ki Merebot

Rp. 25.000,-

Kadé Bisi Kaduhung

Page 6: Mangle 2470

5Manglé 2470

TTamu

Dr. Deden Ramdan, M.Si.;

Sunda Lain Bangsa Kelas Dua

Di tempat kompanye, rahayatmerbayaksa, sabudeureunpanggung. Ngadédéngékeun

nu nebar harepan sorangeunmangsa ka hareup. Pamandangankawas kitu téh ilahar naker dinamangsa ganti kapamingpinan limataunan mah.

Ngeprak balad, ngumpulkeunsora rahayat, dina usum kompanyemah prah di mana-mana, kaasup diTatar Sunda. Nu ‘tarung’ di JawaBarat, ti mana waé asalna, butuh‘sora’ pribumi. Saperti nu enggeus-enggeus, wawakil rahayat ti JawaBarat nu jadi anggota DPR RImangsa bakti 2009-2014, lolobanamah lain pituin Sunda. Hartina,sélér séjén nu jadi wawakil ti JawaBarat, tetep miangna ka Senayanmah lantaran sora ti Tatar Sunda.“Jadi pamingpin téh hak sakumnawarga nagara. Atuh, urang Sunda gékudu ngarasa satata jeung pihakséjén, ulah ngarasa jadi warga kelasdua,” ceuk Dr. Deden Ramdan,M.Si., Wakil Rektor III WidangKemahasiswaan & Alumni Univer-sitas Pasundan, muka wangkongan.

Ngobrol téh di kantorna di Kam-pus Unpas, Jalan Tamansari, Ban-dung. Ngawangkong, pasosorébada lohor dina kaayaan di luarhujan miripis matak tiris. Tapi,panga ruh obrolan nu jejerna kapa -ming pinan Sunda di tingkat nasio -nal mah, hawa nu tiris téh robahjadi ‘panas’. “Dina mayunan pihakséjén, urang Sunda kedah gaduhdaya tawar anu jinek, nu dibalitung -keun deungeun,” pokna tandes

naker.Kang Deden (kitu katelahna),

nganggap urang Sunda boga ka-mampuhan nu satata jeung sélérséjénna di Nusanatara. Malah, nilikkana poténsi nu nyampak, cenah,tatar Sunda téh tetep dibalitung -keun ku pihak séjén. Buktina, rupa-

rupa kapentingan partey pulitik nusipatna nasional, loba nu milih Ban-dung (Jawa Barat) tempatngélébétkeun bandérana. “Har tina,Tatar Sunda gaduh pangaruhkanggo pihak-pihak nu hoyongngalalakon di tingkat nasional,”ceuk ieu pituin Bandung téh.

Satata! Taya nu istiméwa! Kitu kalungguhan masing-masing sélér bangsa di ieunagri gé. Kumaha ari urang Sunda? Dr. Deden Ramdan, Doktor Minijmen

Politik Universitas Pasundan (Unpas) Bandung, medar pamanggihna.

Dr. Deden Ramdan, M.Si., Wakil Rektor III Unpas Bandung

Page 7: Mangle 2470

Kalunguhan Jawa Barat, ceukKang Deden mah, kudu jadi ka kuat -an keur urang Sunda. “Urang Sundagé kedah yakin, kakuatan nasionaltéh ayana di saban sélér banga nuaya di Nusantarana,” pokna.

Ngahijikeun Kakuatan

Dr. Deden Ramdan, M.Si., per-caya, kakawasaan teu ngan ukur tu-mali jeung kamampuhan. Da, lian tibutuh pangabisa téh deuih butuhpangrojong masarakatna. “Peryogipangrojong pihak sanés, pang-pangna ti urang Sunda nyalira, ”pokna. Balitunganana, leuwih loba‘balad’ bakal leuwih boga kakuatan.Ku lantaran kitu, ceuk Kang Dedenmah, jumlah sélér Sunda nu kaduapanglobana di Nusantara téh kudujadi kakuatan keur urang Sundadina makalangan ti tingkat nasio -nal.

Dina pilihan umum, sora raha -yat téh boga kakuatan anu rohaka.Masing-masing sora bakal jaditanaga dina nangtukeun pa ming -pinna. Hartina, leuwih loba jumlahpadumukna, kakuatanana ogé bakalleuwih tohaga. Nilik ka dinya. CeukKang Deden, pantes pisan upamaurang Sunda milu ancrub dina ka-pamingpinan nasional. PadumukSunda nu jumlahna kadua pang -lobana di Nusantara, samistina jadigambaran kakuatan urang Sundadi Nusantara anu dibalitungkeunku pihak mana waé. “Asal urangSunda ulah sungkan nawarkeunjeung némbongkeun kamampuhan -ana geusan jadi pamingpin na-sional,” pokna.

Akar kakawasaan, mémang tinakakuatan rahayat. Atuh, saterusna,calon pamingpin nu diasongkeunku pihak mana waé boh dina pilihanlegislatif boh pilihan presiden,enas-enasna mah miang tinakakua tan rahayat. Atuh, lobanapadumuk Tatar Sunda gé, bakaljadi tinimbangan pihak-pihak nunyalonkeun ‘jagona’ jadi pamingpinnasional. Mun nilik ka dinya, urang

Sunda, payus boga tempat dinakapamingpinan nasional.

Dr. Deden Ramdan yakin, urangJawa Barat, payus milu ngurus-ngatur ieu nagara. Lain ukurtukang keprok atawa ngabring-ngabring batur, lain ukur jadibobotoh deungeun deuih. “Mere-nah upama urang Sunda seueur nungagaduhan peran dina kapaming-pinan nasional,” ceuk ieu AnggotaKelompok Kerja Bidang Sosial Poli-tik di Dewan Ketahanan Nasionaltéh.

Upama Kang Deden yakin urangSunda boga kamampuhan keur jadipamingpin, mémang kabandungan,cenah. Ceuk inyana mah, lobakacida urang Sunda nu palinter dinarupa-rupa widang. Hartina, dinasual kamampuhan jeung paélmuanmah, moal nguyang ka batur. “Kan-tun ngahijikeun kakuatan urangSunda sakumna, ulah silih réngkasjeung papada dulur,” pokna semungingetan.

Dina milih pamingpin, KangDeden mah miharep, urang Sundasilihrojong. Ngahiji nepikeun ka-hayangna. Cindekna, ulah silih-goréngkeun, ulah paraséa waé! Kituceuk ieu panulis buku KomunikasiPulitik mah.

Ceuk pikir Kang Deden, sahawaé nu pangpayusna jadi paming-pin ti Sunda, sawadina pada nga -rojong ku sakumna urang Sunda.

Da, tangtu, cenah, ari kapentinganmah rupa-rupa naker. Ngan, upamaéta kapentingan téh keur kamasla-hatan urang Sunda, payus turmere nah pisan upama meunangpang deudeul ti urang Sundasakumna.

Dina mangsana nangtukeunpamingpin lima taunan, kacidagumantung na kana kahayangmasa rakat. Ngan, cenah, di antararahayat jeung calon pamingpin téhbisa waé aya ‘jungkrang’ nu pereludicukangan. Bisa jadi salila ieumasarakat teu pati engeuh kanapentingna milih pamingpin numihak kana kasundaan. Ku lantarankitu, ceuk Kang Deden misti aya nujadi ‘panumbu catur’ sangkanpakarepan urang Sunda bogapaming pin di tingkat nasional tine -ka nan. Saha nu ‘nyaangan’ ma sa -rakat sangkan boga kasadaran daékngarojong kana ‘gerakan’ milihpamingpin Sunda? Tangtu wé,ceuk Deden Ramdan mah loba,saperti organisasi-organisasikasunda an, kaasup Paguyuban Pa-sundan.

Dr. Deden Ramdan, M.Si., yakin,urang Sunda loba kénéh nu nyaahka sarakanana. Loba kénéh nunyaah ka dulur jeung ka lemburnasorangan. Atuh, saterusna, masihkénéh loba nu percaya upama lobapamingpin teureuh Sunda, bakalmawa kamaslahatan keur Tatar

Manglé 24706

Ngaluuhan acara gawe bareng Unpas jeung Pemda Pangandaran

TTamu

Page 8: Mangle 2470

Sunda. Ngan, tangtu, cenah, ha re -pan-harepan saperti kitu téh kududipatéahkeun ku pihak-pihak nugedé tanggung jawabna ka TatarSunda.

Nyaah ka Sarakan

Deden Ramdan pituin Sunda.Bibit-buitna ti wewengkon SukajadiBandung. Ti leuleutik gé di Ban-dung. Atuh, keur Deden mah, ieukota téh lain ukur pangancikanraga, tapi deuih panineungan rasa.“Kapungkur mah Bandung téh pi -

kabéta heun naker,” pokna ngumbarpanineungan.

Inget kénéh, cenah, mun isuk-isuk indit ka sakola, hawa téh segernaker. Mun leumpang mapay-mapay jalan, bisa ngararasakeunnyecepna ibun nu nyalangkrungdina pucuk-pucuk dangdaunan.Bandung nu kawas kitu, keur dirinamah matak tibelat. “Ngan, munangger salah urus, bisa jadi Ban-dung mémang juara, tapi lain juaranu matak reueus, da bisa waé juaracaah, juara nyayeudna runtah,”ceuk ieu urang Bandung nu lahir

taun 1963 téh.Hirup dina budaya Sunda, keur

Deden mah gedé pangaruhna.Apan, organisasi kapamudaan nudiiluanana gé di antarana téhAngkatan Muda Siliwangi (AMS).Harita, keur ngora, mémang geusngarasa reueus ku kasundaan téh.Atuh, tina AMS gé boga ‘kenang-kena ngan’ nu masih kénéh jadicece kelan laku-lampahna. Apankeur urang AMS mah, di antaranahirup téh ulah hianat ka batur,jeung kudu panceg dina galur!

Keur mahasiswa, Deden kungsijadi pangurus Himpunan Maha-siswa Islam (HMI) Cabang Ban-dung. Tina éta organisasi inyanaloba diajar nyanghareupan rupa-rupa pasualan. Atuh, harita mah,biasa naker demo-demo nepikeunaspirasi ka pamaréntah gé. “Bentensareng ayeuna, demo harita mahpeurahan keneh,” pokna.

Ayeuna, cenah, saban jalma bisadémo. Nu ditepikeunana, demo ki-wari, sagala rupa. Pasulan ‘teu pira’gé bisa waé demo atawa unjuk rasa.“Ari kapungkur mah, mun démo téhtangtos kanggo kapentingan masa -rakat,” pokna nyoréang mangsa katukang.

Tolab élmu di Unpas, babakti gédi éta kampus. Jadi dosén KopertisWilayah IV nu DPK-na di Universi-tas Pasundan. Kituna téh, teteprenggenek nepi ka kiwari.

Cekel gawéna, lian ti jadi dosén,kapapancénan jadi Wakil RektorBidang Kemahasiswaan & Alumni.Pancen gawéna kitu, raket tumalinajeung kamampuhanana. Resep ici -kibung dina organisasi, jeung aktifdi luar kampus, jadi bekel dina‘ngigelan’ jeung ngigelkeun ‘aspirsi’mahasiwa. “Tanggel waler paguronluhur kanggo nyiptakeun lulusananu mangpaat kanggo masarakat,”ceuk ieu Dosen Teladan KopertisWil. IV Jabar-Banten (1998) téh.

Kampus, ceuk Deden Ramdan,sawadina jadi ‘munara cai’, lain‘munara gading’, nu ukur éndahjeung pikareueuseun ti kajauhan.Ceuk dirina mah, kampus téh kudulir kérélékna cai, jadi ubar nuhanaang. ***

7Manglé 2470

Ngadeukeutkeun kampus ka masarakat

Nyarengan Rektor Unpas dina acara Bakti Mahasiswa

Page 9: Mangle 2470

Manglé 24708

Tempat lir tatapakan. Ti dinya pa miangan,jeung ti dinya mimiti mekar. Éta pangnakekecapan Kang Uu mah: ngajaga lembur,akur jeung dulur, panceg na galur, lainukur semet lalambé, tapi jeung prakna.Pok-prak, laju ditatalépakeun jeungdisebar keun ka balaréa.

***

Remen indit wanci janari, mudun titonggoh ka lebak (apan pamatuhan -ana di Cinangka, Ujungberung, di

suku Gunung Manglayang), mulangna deuitéh geus tengah peuting. Tah kitu, nu sokkarandapan ku Drs. H. Uu Rukmana, M.Si.téh. Pikeun kulawargana, geus biasa ieuhditing gal-tinggalkeun kitu téh, da lain inditnatambuh laku, tapi pikeun migawé rupa-rupa kagiatan anu patali jeung kapentinganbalaréa.

Kang Uu, kitu sesebutan akrabna, mé-mang kagiatanana saabreg-abreg. Geuspuguhan ari di DPRD Jawa Barat mah, apannyekel posisi Wakil Ketua. Ancrubna kanarupa-rupa kagiatan téh, di antaranakapamuda an, seni-budaya, olahraga, jeungusaha geus dibaladah ti umur wewelasantaun, jaman sakola keneh di SMA Negeri 2Bandung. Éta pangna Kang Uu mah aya dimamana. Malah ka dieunakeun mah aktifmupuhuan kapanitiaan pangwangunanmasjid. Anu dikokojan ku Kang Uu di antara -na waé Masjid Raya Bandung Provinsi JawaBarat, Masjid Besar Ujungberung, jeungMasjid Dayeuhkolot anu dina jero kompléks -na diwangun kagiatan bisnis pikeun 300-anpadagang).

“Rék kagiatan naon waé, Akang mah sokmatalikeun jeung kapentingan Sunda. Akanghayang nempatkeun Sunda bisa cumarita,jeung kudu aya di hareup,” ceuk ieu mantenKetua DPD Partéy Golkar Jawa Barat téh.Nya Kang Uu pisan ketua munggaran di étapartéy anu kasang tukangna lain tentara.

Keun ari léngkah-léngkahna dina widangpulitik mah babari katangenna. Dina widangseni- budaya gé, Kang Uu milu ancrubbobolokot. Ngurus penca, bénjang, tembanggeus jadi bagian tina kagiatan sapopoéna.Apan ayeuna gé masih angger nyekelkalunggu han Ketua Dewan Kurator YayasanPusat Kabudayaan (YPK). Sawatara taun katukang, Kang Uu jadi Ketua Dewan Pen-didikan Jawa Barat. Ari dina urusan masjid,ayeuna Kang Uu jadi Ketua Badan PengelolaMasjid Raya Bandung.

Kang Uu apaleun kana kaayaan kahiru-pan urang Sunda, da remen milemburan téa.Mana komo jaman keur jadi Ketua UmumPangurus Puseur Angkatan Muda Siliwangi

LLaporan

Kang UuUmajak Nguatan Jatidiri Sunda

Kang Uu teu weléh diarep-arep masarakat

Kang Uu nguatan kamandirian Sunda

Page 10: Mangle 2470

9Manglé 2470

(AMS) mah. Kang Uu enya-enya merjuang -keun para kader AMS sangkan jadi paming -pin di padésaan, upamana waé sina jarenengkuwu atawa lurah.

Kang Uu pituin urang Gang Asmi, di te -ngah Kota Bandung pisan. Ti leuleutik hirupdi dinya, ti jaman Walungan Cikapundung sokdipaké kokojayan (ayeuna mah pimanaeun,da apan caina ogé sakitu kotorna balukar po-lusi). Kang Uu ngarasa prihatin mun nengetanbabaturanana ti bubudak mimiti aringkah tikota, terus matuh di pasisian, lantaran lahandi kota geus kalindih ku urang luar. “Sedih,”pokna. Geuning urang Sunda nu maratuh dikota beuki kasérédkeun.

Jejer obrolan jeung Kang Uu mah warna-warni. Rék ngobrolkeun naon waé ogé, KangUu mampuh ngabijilan carita, malah leuwihjauhna ngasongkeun pamang gih. Tinaobrolan perkara naon waé, angger ari nga-muarana mah kana ka pentingan Sunda, kanakapentingan Jawa Barat, dina kahirupannasio nal Indonésia.

Sual Citarum, upamana, Kang Uu gedéneundeun perhatian. Ieu walungan kareueuswarga Jawa Barat téh gedé pisan jasa jeungmangpaatna. Moal kurang ti 25 juta jiwa anukahirupan sapopoéna guman tung ka étawalungan, boh sacara langsung boh teu lang-sung. Sumebar di saban tempat; ti mimitilebah sungapanana di Bandung Kidul tug tepika tatar kalér Jawa Barat, hususnawewengkon Kabupaten Karawang. Geuskaruhan gunana pikeun tatanén jeung miaralauk mah, malah jadi obyék wisata deuih.Komo deui lamun nyaritakeun perkaragedéna listrik anu dihasilkeun ti BendunganSaguling, Cirata jeung Jatiluhur. Lain keururang Jawa Barat wungkul listrikna téh, tapiwewengkon séjén di Pulo Jawa, malah paratka Bali.

“Tapi kondisi Citarum kiwari matak pri-

hatin. Naha? Heueuh, ku sabab salah urus.Antukna remen ngadatangkeun mamala kabalaréa, babakuna lebah polusi jeung datang -na banjir dina keur usum ngijih,” pokna.

Dina posisi wakil rayat, Kang Uu teu weléhngadongsok ka pamaréntah sangkan enya-enya miara Walungan Citarum. Ku ma hacarana sangkan ulah haben waé ngabalukar -keun banjir, upamana ku cara dikerukkalawan maneuh. Lian ti éta, kumaha carananalingakeun sakur pabrik sangkan teu miceunlimbah anu ngalantaran keun Citarum jadi po-lusi. Pihak-pihak nu ngalantarankeun Citarumruksak kudu ditindak tegas saluyu jeunghukum. Lamun terus diantep, karuksakanlahan di Jawa Barat bakal leuwih parna.

“Nu penting mah kumaha carana sang kanéta walungan tetep loba mangpaatna, batanmadorotna ka balaréa,” pokna deui.

Nguatan Kamandirian

Mun butuh supana, kudu dipiaracatangna. Kitu ceuk karuhun Sunda. Maksud -na, mun urang butuh ku hasilna tina hijibarang, urang wajib miara éta barang. Supakaluarna tina catang. Mun urang butuh kusupa, taya deui jalanna sangkan catang anungahasilkeun supa téh kudu dipiara. Munurang butuh ku hal-hal anu dihasilkeun tiTatar Sunda, nya tangtu waé Tatar Sundanakudu dipiara. Mun Citarum hayang langgengméré mangpaat ka urang, taya deui jalan étawalungan kudu enya-enya dipiara.

Poténsi anu nyampak di Tatar Sunda téhkudu méré barokah ka sakumna warga. Étapoténsi téh bakal jadi kakuatan anungalantaran keun urang mampuh hirupmandiri. “Urang Sunda téh kudu mandirisangkan boga jatidiri,” pokna tandes.

Miara poténsi Sunda téh kudu dumasarkana ngajaga lembur, akur jeung dulur,

panceg na galur. Urang wajib ngajaga lembur.Ngajaga téh sarua jeung miara, sangkan tetepméré mangpaat ka balaréa. “Sajaba ti ngajaga,urang kudu bari ngajega deui, malah teunanaon ngajago ogé ari puguh tatapakanjeung kamampuh diri mah,” pokna.

Akur jeung dulur, éta mah jelas sangkanurang ulah paséa, komo mun ukur marebut -keun paisan kosong. Kudu sauyunan, kudupaheuyeuk-heuyeuk leungeun. Sate rusna,urang kudu panceg ‘na galur. Cindekna kudupengkuh tatapakan jeung pamiangan. Urangtéh apan urang Sunda, anu tangtu waé saglaketak jeung léngkah perjuangan téh demi KiSunda.

Kang Uu anu tadina aktif ngelebetkeunbandéra partéy, dina Pemilu 2014 ayeuna mahganti lalakon hayang ngawakilan daérah,nyaéta dina wadah Dewan Per wakilan Daerahalias DPD-RI. Loba pihak jeung elemenmasarakat anu ménta jeung ngarojong KangUu sangkan nempatan éta posisi. Kang Uungawakilan Jawa barat di tingkat nasional.Malah udaganana téh henteu ngan saukur jadianggota, tapi jadi ketua éta lembaga. Ka-mungkinan pikeun ngahontal éta posisisaenyana nyampak, asal urang Sunda sauyu-nan dina merjuang keun kapentingandaérahna.

Ceuk dina undang-undang, anggota DPDti saban provinsi téh sarua jumlahna, nyaétaopatan. Tangtu waé anggota DPD anu miang -na ti provinsi anu loba cacah jiwa na mah,kawas Jawa Barat, bakal béda jeung anggotaDPD ti provinsi lian anu pendudukna saeutik.Anggota DPD' anu ngawakilan Jawa Baratbisa meunang sora jauh leuwih loba. Nya kusabab kitu gedé pisan kamungkinananapikeun nempatan posisi ketua. Poténsi soradina Pemilu ti Jawa Barat bakal milu nangtu -keun jeung ngawamaan kapamingpinannasio nal, kaasup di DPD-RI.***

Kang Uu dina kagiatan anu patali jeung kapentingan balaréaKang Uu jeung para alim ulama

Page 11: Mangle 2470

Ngungsi, di mana-mana remenkajadian. Alatanana rupa-rupa,la han urug, gunung bitu, caah,

jeung sajabna. Nu ngungsi, teu bisamajar kumaha, kapaksa kudu hirup ditempat panyirurukan. Lian ti nu ngungsialatan bancang pakewuh alam, loba ogénu kapaksa kaburak lantaran perang.Tah, nu kawas kitu mah, ngungsi gé di-iring-iring ku karisi, diudag-udag kahari-wang!

Nu remen jadi korban, mémang nu‘heng ker’ saperti barudak jeung kaumibu. Ieu golongan mah, tara bisa majarkumaha, kapaksa kudu tumamprak kanakaayaan.

Saha nu miduli mun barudak jeungkaum ibu kudu ngungsi? “Pasualanankamanusaan mémang tos jantenpanalinga an balaréa,” ceuk Dra. Hj. EllaGiri komala, M.Pd., anggota DPD-RIPropinsi Jawa Barat.

Masalah kamanusaan, mémang jadipanalinga balaréa. Kituna téh, walatra dimana-mana, kaasup jadi panalinga par-lemén tingkat dunya. “Masalah-masalahkamanusaan, teu weléh janten panalingaparlemen internasional,” ceuk Hj. Ellanu milu kana gempungan SidangUmum Inter-Parlementary Union (IPU)di Swiss sawatara waktu ka tukang, titanggal 15-21 Maret 2014.

Dina prakna gempungan, parawawakil rahayat ti saban nagara téh,medar rupa-rupa pasualan. Masing-masing nepikeun pamanggihna boh nutumali jeung kaayaan di nagrina boh nukasaksén di nagri séjén. “Sadayanapamilon gempu ngan kénging hak anusarua,” pokna.

Jadi anggota DPD, keur Hj. Ella mahloba pangalaman. Bisa silihsimbeuhpanga weruh jeung pangalaman. Atuh,pasua lan di hiji nagri, bisa jadi contokeur nagara séjén, kaasup nu tumalijeung cara ngungkulanana.

Jeneng jadi anggota Dewan, ceuk ieuketua muslimat NU Jabar ogé, kuduboga kamampuhan nepikeun gagasan nutumali jeung kapentingan kamanusaan.Da enas-enasna mah, jadi wawakil raha -yat di hiji daérah téh, ogé ‘wawakil’ jeng -lengan rahayat na. Masing-masinganggota parlemen, jadi gambaran ma -

sing-masing nagara na. Ku lantaran kitu,di éta gem pu ng an mah, bon nagara gedéboh nagara leutik, tetep diajénan sarua.

Ngalanglang LemburUpama Hj. Ella lampar saba nagara,

pamianganana mah, éstu ti palemburan.Jadi wawakil rahayat daérah Jawa Barat,miang tina organisasi kaagamaan.“Sanés nyalonkeun sim kuring mah, tapi

Manglé 247010

IImplik-implik

Hj. Ella Girikomala;

Di Swiss, Tibelat ka Tatar Sunda

Miang ka jauhna geusantukeur pangalaman. Kitu nukaalaman ku Dra. Hj. EllaGirikomala, M.Pd., anggotaDewan Perwakilan Daerah(DPD) RI asal Jawa Barat.Ngan, naon waé mangpaatnakeur urang lembur tatarSunda? ***

Page 12: Mangle 2470

11Manglé 2470

dicalon keun ku organsiasi, MuslimatNahdhatul Ulama,” pokna nyoréangmangsa ka tukang.

Ngan, cenah, ku lantaran biasa iciki-bung dina dunya organisasi, jadi anggotaDewan Perwakilan Daerah gé teungawagu. Ahirna, Hj. Ella téh kapilih jadianggota DPD-RI dina mangsa bakti2009-2014.

Dina pilihan umum ayeuna, ieu aktiviswanoja urang Bandung téh, meunangdeui kapercayaan ti kaumna. Kudu deuijadi calon anggota DPD-RI. Atuh, ka -ngaranan diamanatan, Hj. Ella téh teubisa nolak. Antukna, ilubiung deui jadicalon anggota DPD-RI keur mangsabakti 2014-2019.

Jadi wawakil rahayat, keur Hj. Ella,jadi loba baraya. Da, kudu remenngalanglang lembur, saba desa nepun-gan masarakat di saban tempat. Ngan,da teureuh pasan trén, datangna kapalemburan mah, mimindengan kapasan trén téa.

Ancrub jadi wawakil rahayat, kudulogor di panto. Kitu deui ieu Ketua KPPI(Kaukus Perempuan Politik Indonesia),Jawa Barat, najan pamianganana pa san -trén, bisa blas-blus ka rupa-rupa masa -rakat. Atuh, najan dirojong ku MuslimatNU saterusna mah keur karaharjaanbalaréa. “Kaum ibu téh nu pangapalnakana urusan rumah tangga,” pokna.Atuh, upaya ningkatkeun kamandirianjeung kamampuan kaum ibu, enas-enasna mah, keur karaharjaan balaréa.

Dina ngupayakeun karaharjaan masa -rakat, ieu teureuh pasantrén téh, remenkudu moék-meuting di palemburan.Malum, Jawa Barat téh lega naker.Rupa-rupa pasualan nu mistidiungkulan ana, pangpangna mah nu tu-mali jeung karaharja an. ***

(Rudi/Ensa)

Hj. Ella Girikomala; nepikeun gagasan pentingna ‘perlindungan anak’ unggal nagara

Hj. Ella Girikomala delegasi ti Indonesia, pada ngajénan ku nagara-nagara deungeun

Page 13: Mangle 2470

Manglé 247012

NNyusur Galur

Minggu pengker dicaritakeun ngeunaan Win-kler manggihan runggukan tujuh tangkalcaringin. Teu jauh ti paseban heubeul.

Urut solokan di Gang Amil ieu téh perenahnawétaneun situs batutulis tungtung Gang Amil,kapotong ku jalan Lawang Gintung. Ngembatnasolokan manjang ti tukangeun setatsion karéta apiBatutulis téori ka wewengkon Balé Kambang. Étasolokan baheulana nyambung jeung solokan luarnu ayeuna dipaké jalan karéta api. Pengkolansolokan digemur basa

Éta solokan téh kaasup panggedéna di antarasolokan-solokan séjénna. Ayeuna mah geus pinuhku padumukan panduduk taya tapak-tapakna acan.Di beulah wétan aya mata aér Cikahuripan nu ba-heula ngocor liwat selokan Cihaliwung. Tepi kakiwari ieu mata aér masih dikaramatkeun.

Laporan-laporan VOC ti abad ka 17 salawasnanyebutkeun sabudeureun Batutulis téh loba solokannu disebut “ grachiten” kuilen”, “ parigi”, atawa“Selokan”. Pangwagunan éta solokan-solokandicarita keun ogé dina prasasti Batutulis jeung dinaNaskah Sunda kuno koropak 632 nudikumpulkeun ku Bandes ti Kabuyutan CiburuyBayongbong Garut.

Laporan-Laporan Ngeunaan Situs Batutulis

1. Laporan ScipioSabada aya perjangjian VOC jeung Banten

(1684) nu di antarana ngamuat katangtuan ngeuna -an Cisadane (walungan Tangerang) nu ngawatesankakuasaan masing-masing, Walanda mimitimetakeun tarekah naliti daérah hulu walunganCisadane. Taun 1687 dilaksanakeun ku jalanngirim keun ekspedisi nu dipingpin ku Scipio. Ser-san Scipio téh anu manggihan situs batutulis numunggaran. Ti kalangan panaliti urang Eropa. Sci-pio ngalapor keun:

Tajamahanna;Senén 1 september,“Rebun-rébun kuring sabatur-batur geus

ngabring di jalan ka bénténg Pajajaan. Perenahnaantara Ciliwung jeung Cisadané, sababaraha poélalampahan ti kampung Parung angsana sajauhtembakan péstol ti Ciliwung. Mimitina ngaliwatanjalan diantara dua tanggul tepi ka 4 kaki. Cundukdi jalan asup atawa gerbang, di dinya loba batu-batu anu nyusun luhurna 6 kaki. Didinya ayakénéh batu-batu anu nyusun saperti kitu ilaharnasadeupa dina dua sisi anu nangtung teratur, gam-pang kanyahoan yén éta hasil pagawéan manusa.8 léngkah ti dinya aya deui témbok, di antaranaaya batu ngajajar, maju saléngkah dua léngkahdeui cunduk di hiji tempat pasagi panjang leganasarua jeung bangsal karajaan. Di sisina ayasababaraha batu anu hiji mah jangkungna 4 kakinu hiji deui mah 2 kaki , nu leutik nangtung radadéngdék ieu téh tilas singgasana Raja Pajajaran.Urut iteuk dijieun tina batu walungan anugedéna teu sarua, jeung tina taneh anuditeundeun na ngajajar. Sabudeureun éta kabéhaya leuweung jeung kebon bubuahan, mangruparuruntuhan , tapi kacida dihormatna ku masarakat,sabab sok katingal naranjak ka pasir dariuksidakep dina tempat pasagi panjang, lengkahnadiatur tandaning hormat kanu dianggapna kara-mat. Heug nyeungeut menyan, kebulna mumbulka manggung, bari ngadunga mapatkeun pujian-pujian nu eusina puja puji kanu diparuja kumaranéha, panedana kanu di manggung sangkanbisa mulang salamet ka Parung Angsana.”

Sanajan Scipio henteu ngawincik tujuan lalam-pahanana, jeung lukisan anu dilaporkeunna geusbisa ditétélakeun yén éta téh situs Batutulis ti béhkalér. Pager batu anu disebutkeun jangkungnasadeupa, Dina awal taun 1960 an masih kapangihsésa-sésana sababaraha belas méter kiduleun batucongrang.

Ékspédisi ScipioNaliti Hulu Walungan Cisadané

Page 14: Mangle 2470

13Manglé 2470

Tina lukisanna jelas yén pikeun asup ka situsti kalér baheula mah kudu ngaliwat ka dua lapisgerbang.

Nu dina tulisanna ku Scipio disebut “OrangJawa” anu cenah kacida mujana ka nu dikara-matkeun, saenyana urang Sunda ti Parung Angsana anu nganter Scipio jeung rombongan ka tem-pat-tempat anu ditujuna. Urang Parung angsana téhanak buah Letnan Tanujiwa anu ngadegkeunParung Angsana. Létnan Tanujiwa téh urangSumedang aslina mah.

Scipio sacara tandes ngahubungkeun ParungAngsana jeung Pajajaran Tangtu asal infromasinatinu nganganteur ekspedisina, nya urang ParungAngsana ieu. Padumuk Parung Angsana ( 1687 )geus parahameun kana kasang tukang Batutulis.

Scipio henteu nyebut-nyebut ayana prasastisabab henteu diidinan ku anak buahna pikeun asupka jero tempat ayana situs, lantaran Scipio agama -na kristen.

2. Laporan WinklerLaporan kadua ngaberitakeun situs Batutulis, ti

Kapten Adolf Winkler anu datang ka Batutulis 14Juni 1690. Inti laporan nurutkun Winkler kieu;1) Winkler ngalaporkeun ngeunaan ayana batu anu

aya tulisanana dalapan satengah baris.2) Ngalaporkeun ayana “lingga batu” anu ngajegir

gigieun prasasti.3) Ngalaporkeun ngeunaan ayana situs Purwakalih.4) Ngalapokeun ayana jaman batu anu kacida

bérésna ngahubungkeun ka pasaban heubeul

tinggal jaman baheula.5) Di lokasi urut karaton, Winkler manggihan

runggunukna tangkal caringin tujuh.6) Ngalaporkeun ayana menhir badag pasagi lima

di Gang Amil.

Saterusna dilaporkeun ka Winkler;Ditanyakeun leuwih jauh, ngeunaan saha jeung

kumaha sarta keur naon hiji raja nu ngadegkeunéta karaton migawéna, diwartakeun ogé yén étaraja téh Prabu Siliwangi.

Winkler ogé dianterna ku urang ParungAngsana. Sapoé saméméh Winkler geus nitahanSura Winata jeung Suta Diana urang Kedung Ha-lang nengetan kaayaan Pakuan bari muka jalan.Winkler geus nyahoeun ngaran Pakuan ti urangdinya, nyaho ka jenengan Prabu Siliwangi ogé tiurang lembur dinya.

Urang Kedung Halang jeung Parung Angsanabagian ti pasukan pagawé (werktroep ) VOC nudipingpin ku Letnan Tanujiwa téa, pancenna mukadaérah jero Batavia nu engkéna dijadikeun pamuki-man jeung keur tatanén. Mangsa harita tacan ayanaskah babad nu ditulis jeung nyebar di masarakat.Tapi manéhna geus nyarahoeun kana hubungan an-tara situs Batutulis jeung Karajaan Pajajaan katutPabu Siliwangi. Maranéhna lain urang Bogor tapianu daratang ti Priangan jeung Banten. ***(HRS/Hanca)

Saperti anu diungkabkeun ku Saleh Dana sasmitadina buku “Menelusuri Situs Prasasti Batutulis”

Page 15: Mangle 2470

Manglé 247014

MMunara Cahaya

Jalma hirup di alam dunya, pastihayang boga cita-cita sangkanloba hartana jeung luhur harkat

darajatnana. Kayaning hayang bogajabatan, hayang luhur pangkat,luhung élmu jeung sajabana. DinaIslam mémang harta kaasup wasilahal-hayat. Dilungsurkeun sarupaningkani’matan ayana harta. Bumi langitjeung saeusina sadayana harta. Kamanusa minangka khalifah, diper-cayakeun sangkan urang kudu mam-puh ngurus harta. Malah dina élmual-maqosidusyari’ah, aya nu disebuthifdul mal, nu hartosna ngajagaharta. Hartina harta kudu dipupu-juhkeun kalawan bener nempat -keunana. Sabalikna harta lain keurdipuja-puja, tapi harta éstuningbekel ibadah keur jalan ka ahérat.Sakumaha dina surat Al-Hadid ayat70, Alloh Swt masihan pituduh:

Nu hartosna kirang langkungkieu: Geura ariman ka Alloh jeungka Rosul-Na, jeung geura der-makeun sabagian tina saniskaraanu Anjeunna ngajadikeun mara -néh nu mibandana; nya jalma-jalma anu ariman ti antarama ra néh turta ngadermakeunanamah, pikeun maranéh ganjaran anugedé.

Tétéla sakumaha dawuhan diluhur, yén harta téh mutlak turhakékatna mah milik Alloh lain milikmanusa. Margi kitu harta nu dititip-

keun ka manusa mung saukur titipansangkan digunakeun keur kamang-paatan nu luyu jeung papagonagama.

Ébréh pisan harta dina Islammah mung saukur titipan. Ku kitunapantes kacida pami Kangjeng Rosulpernah ngémutan ka urang, yén hijijalma dina alam baka, di alam yaomilahir bakal ditanya opat perkara. Nukahiji ngeunaan umur dieusian keurnaon. Kadua, jasmani atawa awak di-gunakeunana keur naon. Katilu meu -nangkeun harta carana kumahajeung dipaké keur naon baé. Kaopatmasalah élmu, dipakéna keur naon.

Harta téh milik Alloh nu diser-ahkeun ka manusa. Disebut milikAlloh, lantaran memang teu aya hijijalma nu mampuh ngayakeun hijibenda nu asalna teu aya. Ku kituna,harta ogé bisa disebut hiasan nungajadikeun manusa sangkan bisasukuran ka Alloh. Ku ayana harta,manusa bakal betah ibadah ogé getolnyiar kipayah. Ngan, harta nu jadititipan, sakumaha pidawuh Gusti,peupeujeuh ulah kaleuleuwihi. Lan-taran lamun kaleuleuwihi, manusabakal jadi riya, takabur adigung asaaing pangbeungharna, pangbogana,ogé pangkawasana.

Palebah dieu pisan, kalolo -baanana jalma nu tibelejog ku hartanepi ka asup golongan hubuddunya.Dina harti, harta henteu matak ngan-delan ibadah, tapi sabalikna hartanajadi pangjurung hawa nafsuna,malah milu jeung balad syetan keurngagoda jalma.

Ku kituna, manusa kana hartaahirna jadi pangbibita. Tangtu pang-bibita palebah dieu ogé bakal gu-mantung ka jalmana. Lamun ayajalma nu luhur kuta gedé dunya cekagulna mah, mémang geus kitu nga-

jadikeun harta minangka gogoda.Kitu deui, jalma gagah tur beunghartaya kakurang, lantaran manusa teuleupas tina harta.

Ieu sunatullah manusa jeung har-tana. Mung nu jadi patarosan, nahaatuh jalma nu loba hartana, nuluhung pangkatna, tapi hartana teumawa mangpaat keur anjeunna? Tahieu patarosan nu babari dijawabnatapi hésé matéahkeunana. Ngan nusidik, lantaran kalolobaan manusa,dina seuhseuhanana loba nu kabitaalias hulu dugul dihihidan. Ku pasi-patan jalma resep hubuddunya,nempo harta mung saukur keur di-rina, balukarna harta bisa ngalan-tarankeun mawa mamala.

Saperti di nagri urang, apanankasebutna nagara ma’mur, nagarasubur. Teu hésé pepelak, teu héséngebon, teu hésé dagang. Tapi buk-tina mah kumaha?, bangsa urangbangsa nu tigejebur, bangsa nuancur, bangsa nu masakat. Sababbuktina mah, jalma geus teu padulikana hakikat harta. Nu senang tam-bang senang, nu keur untung tambahuntung. Nu ngampar ngampar nuseubeuh-seubeuh. Nu lapar beukilapar nu seubeuh beuki seubeuh.Alloh Swt. ngadawuh dina surat At-Takaatsur, yén jalma nu boga sipathubbuddunya bakal asup ka narakajahim. Latarowunal jahiim.

Alloh nurunkeun kani’matanmangrupa harta, geus diatur sangkanku harta bisa nungtun kana jalan nubener. Kumaha carana? Nyaéta aa-manu wa amilushsholihat, koncinakudu didadasaran ku kaimananjeung kasoléhan. Sabab KangjengRosul ogé kantos ngadawuh : Ni’malmaalu shaalihu lil mar’i sholihi. Sa-hadé-hadéna harta nyaéta harta nuaya dijalmi-jalmi soléh. (HR.

Harta Saukur Titipan Dijaga ku Kasoléhan

Ku Arif Nur Hakim

Page 16: Mangle 2470

15Manglé 2470

Ahmad).Kumaha carana jalmi iman

sareng soléh boga hak mingpin jeungkawasa kana harta? hirup di dunyaaya nu namina manhaj al-hayat, ayaaturan hirup. Sedengkeun nu apalkana aturan hirup nu hakikiyah,nyaéta jalma nu iman jeung nu soléh.

Jalma nu iman jeung nu soléhdina urusan dunya, hirupna sapertinu moal manggih tungtung. Hartinasalawasna bakal bageur, bakal hadélaku lampah. Tapi dina urusanahérat, saperti nu rék maot harita.Hartina sieun, bisi harta teu mawajalan kana kamaslahatan, teu mawajalan ka sawarga. I’mal lidunyaka kaannaka ta’isyu abadan, wa’mal liakhiratika ka annaka tamutu ghadan.

Ku kituna, disatengahing urangnyakséni sikep-sikep para koruptorbalukar harta, urang ogé kedah in-tropéksi ka urang séwang-séwangan.Nagara ancur balukar kasarakahanmanusa dina ngawasa harta. Diripribadi urang ogé bakal ancur lamunharta urang teu mawa kana kamang-paatan.

Nu kumaha nu teu mawa mang-paat?

Nu kahiji, ngokolakeun harta po -ho ka Gusti nu ngawasa harta. Dinaistilah Islam disebutna takaburatawa kufur ni’mat. Jalmi nu sala -wasna hurung nangtung siangleumpang, dina balas ginding karanamaké papakéan atawa perhiasan anuaralus, bakal moal mangpaat lamunpapakéanana meunang nyolong. Bisaginding ka kantor maké jas, dasi,atawa mobil alus, bakal moal mang-paat lamun hartana ladang korupsi.Ieu nu namina kufur ni’mat. Geusdibéré ku Alloh harta tapi teu mam-puh mingpin hartana.

Nu kadua, nyaéta ngokolakeunharta tapi lolong ka Alloh. Sagalacara ditarékahan, sangkan bogaharta. Tapi carana patojaiyah jeungpapagon Alloh. Milarian kurnia Allohtapi ngahina Alloh. Saperti ngin-jeumkeun harta (artos) ka nu séjén,tapi carana diréntenkeun sangkanmeunang untung nu leuwih gedé,nepi ka mela-melu genep persén sa -

bulanna. Kitu deui, jalma munafik.Hiji pamingpin teu mampuh ngada-likeun sangkan pagawéna suburma’mur, ngarasa cukup, padahal di-rina mampuh ngaluarkeun harta.Jalmi nu kieu disebut jalmi munafiksabab, dirina geus sarua jeung beu -ngeut nyanghareup ati mungkir, hen-teu terus terang jeung haténa.

Katilu, ngagugulung kabohongan.Upama ngobrolkeun kajujurantangtu nu apal mah mung Allohjeung dirina. Moal aya hiji jalma nuapal pisan kana kajujuran jalmalianna. Nu mantak, manusa kudungarasa untung dina palebah dieumah, kudu syukuran ka Gusti kanapanutupna Gusti tina haté-haté pa-pada jalma. Gusti Alloh nu MahaGoffar. Hartosna lian ti nu MahaNgahampura ogé Maha Nutupan.Alloh Maha Nutupan. Ku kitunahaté-haté di papada jalma ditutupanku Gusti sangkan papada jalma ulahapaleun. Da, teu kabayangkeunlamun papada haté urang dibuka -keun ku Gusti, rék kumaha jadinahirup manusa di dunya. Tangtunabakal loba kariceuwan. Contona waéjeung batur saimah, upami dibuka -keun mah, meureunan unggal menitbakal pabéntar. Teu kaop boga hatégoréng atawa ujug-ujug aya hatéresep jeung tatangga atawa bogahutang ngageblug, bakal nimbulkeunpabéntar nu mantak rohaka.

Margi kitu, kacida kufurna lamunurang wani ngabohong kénéh. Teusadar kalemahan urang téh ditutupku Alloh, tapi naha atuh manusa téhkudu sombong, kudu ngabohong!Lain hirup jujur téh bakal loba kaun-tungan? Dawuhan Kangjeng Rosul,jalma jujur salawasna bakal meu-nang kauntungan. Al-muslimunaman salima muslimuna millisanihiwayadihi, jalma nu disebut muslim,nyaéta jalma nu salamet tina uca-panana jeung tina leungeunna. Saurpidawuh Alloh Swt. Kaburo maktan,indallohi am takuluna maa laataf’alun. Kacida benduna Alloh kajalma nu papalingpang, nu pa-gawéanana teu saluyu jeung omon-ganana. Jalma nu beunghar, geulis,ginding, luhur jabatanana, malahan

dipihormat pisan ku masarakatna,tapi upama geus teu jujur, teu beneromonganana, mangka jalma étabakal dijadikeun jalma nu panghi-nana dipayuneun Alloh Swt. “Hak(bebeneran) téh datangna tiPangéran arandika, nya sing saha nurék iman geura iman, jeung sing sahanu rék kupur nya kupur”. DawuhanAlloh Swt. :

“Saéstuna Kami geus nyawis -keun Naraka pikeun jalma-jalma nudarolim, nu seuneuna ngéntab-ngén tab ngurung maranéhna;jeung upama maranéhna maréntanginum, (maranéhna) bakal dibérénginum ku godogan beusi nu ngago-lak nu matak beungeutna kabeu -leum. Kacida goréngna éta inumantéh sarta kacida goréngna éta pad-umukan.” (QS Al-Kahfi [18]:29).

Ku kituna, mangga urang tiasamuhasabah, ngeunteung diri pribaditina masalah harta. Urang tiasamunggah haji, tiasa ngawangunmasjid, tangtu kudu dibarung lam-pah nu hadé, nu halal dina meu-nangna harta. Mudah-mudahanurang sadayana kalebet jalmi-jalminu salawasna tiasa syukuran. Laesagina ginal ardi walakin gina ginanafsi. Teu disebut jalma beungharjalma nu loba hartana, tapi jalma nudisebut beunghar mah jalma nu jem-bar haténa. Mudah-mudahan urangkagolongkeun jalma nu mampuhmatéahkeun harta keur bekel ibadahjeung nyiar kipayah nu luyuh jeungélmu syari’ah. Amin ya robbal‘alamin. ***

Page 17: Mangle 2470

GAMBARAN yén urang Sundahésé ngahiji henteu weléh jadibukur catur saréréa. Bukur

catur papada urang Sunda. Teu anéhupama orang sorangan miboga gam-baran kitu ngeunaan diri urang sora -ngan atuh batur gé jadinarurutan.Sélér bangsa lian jadinganggap yén urang téh, urang Sundatéh, hiji sélér bangsa anu jalmanaaing-aingan, hésé pisan ngahijina.Gambaran saperti kitu cénah, nungalantarankeun urang Sunda “kieu”waé téh. Teu maju-maju. Tara pati di-itung dina panglawungan tingkatnasio nal. Ku lantaran, nya kitu téa,réa nu nganggap urang Sunda mahnapsi-napsi, leumpangna marawakarep sorangan. Teu satujuan, teusauyunan. Pangna ku batur dianggapteu bisa ngahiji ku lantaran urangmah henteu henteu ketembongngahiji lir wangunan “orkéstra”. Nuremen nyarita perkara perlunangawangun Orkéstrasi Sunda téh AatSuratain, salah saurang budayawanngora. Dina orkéstra mah apan saban“musisi” téh puguh cekelan pakakasmusikna.

Dina orkéstra mah apan puguhdirigénna, nu mingpin orkésna, malarpuguh laguna, merenah sorana. Iwalti aya dirigén, dina orkéstra mah apanaya partitur, patokan lagu nu jadipademon sugri nu ngamaénkeun alatmusik dina éta orkés. Tah éta dua halnu penting pikeun ngawangunharmoni sasi orkéstra téh di Sundamah euweuh. Dirigén weléh, partiturlapur. Atuh kasadaran ngawangunorkéstrasi nu harmonis gé teu di -pibanda deuih. Antukna kawas ayeu -

na, ngawih sorangan-sorangan,leumpang napsi-napsi, bari teu ieuhmaliré nu lian. Akibatna, nu nyong-colang dina karakter Urang Sundamah nyaéta sipat aing-ainganana.

Euweuh dirigén dina orkéstrasiSunda téh bisa dihartikeun yén diSunda mah euweuh pamingpin. Apanari pamingpin téa jalma nu teu weléhpada ngadéngé, jeung sugri laku-lam-pahna teu weléh jadi tuladan. Tahjalma nu modél kitu téh, nu didéngésakur omonganana, nu ditulad sugrilaku-lampahna, horéng can nyampakdi Sunda mah. Pangna kitu, ku lan-taran perwatek aing-aingan téa. Anaaya urang Sunda nu jeneng di pa-maréntahan nasional, tara ieuh bisadipaké pamuntangan. Malah munkongang mah maranéhna téh narahdisebut urang sunda téh. Teu weléhnyieun alesan mun rék kaanjangan kupapada urang Sunda deui téh, alatansieun dipéntaan tulung ku batursalembur. Béda pisan jeung nu lian.Batur mah lain baé ngahiap-hiap kabatur salemburna, tapi ogé nempat-nempatkeun batur-batur salemburnatéa sangkan diuk dina kalungguhannu merenah.

Pangna Urang Sunda beunangdisebut teu ngabogaan sumangetngawangun orkéstrasi téh ku lantaranpapada urang sok silih réngkas. Pa-pada urang sok ngabogaan rasa teurido mun ningali nu lian maju. Tuluywé sok pada naréangan kagoréngan -ana, sangkan ragrag tina kulung-guhanana. Geus ragrag mah terus wépada mupuas, pada ngaleyek, padangadedetkeun.

Mungguh ari dina orkéstra apan

puguh lilinggeranana. Iraha kudunabeuh alat musikna. Puguh deuih nungaturna, da aya dirigén téa, nu mérétanda ka nu nyekel alat musik kudukumaha nabeuhna, naha halon atawatarik. Kabéh nurut ka dirigén, kabéhtumut kana partitur. Hanjakal teukitu Urang Sunda mah. Urang Sundateu boga partitur. Dipapandékeunkana kahirupan mah partitur téhnyaéta”kahayang koléktif”, kahayangnu jadi angen-angen saréréa. Angen-angen saréréa téa nu kurang kudu di-jinekkeun téh. Hayang naon atuhUrang Sunda téh? Weléh can kabaca.Tah mun geus jinek “kahayang kolék-tif”-na, nu disebut “partitur” téa,sakur “nu nabeuh”, sakur urangSunda, kudu tumut kana aturan kuduiraha alat musik ditabeuhna, kudusakumaha tarikna cék dirigén. Ari nujadi dirigén nyaéta jalma nu dipercayajadi pamingpin Urang Sunda. Diper-caya, lantaran katangén kanyaahna kaurang Sunda, tur kaciri kasundaan -ana.

Atuh saupama urang hésé néa ngansaha pidigéneun nu baris mingpinOrkéstrasi Sunda, nya saheula ananmah ulah mikiran “saha sacara indi-vidu” tapi “saha sacara lembaga”. Tahupama mikir tepi ka lebah dinya mahasa teu kaleuleuwihi upama urangnempatkeun Paguyuban Pasundanpikeun mingpin Orkéstrasi Sunda téh.Munggh Paguyuban Pasundanorgani sasi kasundaan nu pangkuatnakiwari téh. Iwal ti kuat téh PaguyubanPasundan mah gedé pisan perhatian -ana kana atikan. Kapan atikan téhmangrupa modal utama pikeun ihtiarngahontal udagan pikahareupeun.***

DI KIWARI MACA BIHARICatetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Sunda Orkéstra

Manglé 247016

Page 18: Mangle 2470
Page 19: Mangle 2470

Manglé 247018

CCarita Pondok

Di luarhujanngageb -rét, tisorékénéh.

Kuniang hudang terusabdas. Menekung dinasajadah urut tadi Mag h -rib. Imah dines nu lu -mayan lega dieusian kukuring jeung si Bibi.Sakapeung sok aya incusi Bibi nu umur geneptaun, milu ngéndong,ambéh haneuteun. Basakaluar ti kamar ka tengahimah, rék lalajo tipi, ka -déngé sora si bibi keurngaos Qur’an. Dina méjamakan némbrak pasakan,lodéh honjé, sambeljeung goréng lauk ka -beuki. Sasarina mah tarangaengkékeun, mun geusnempo deungeun sangukabeuki téh.

Gék diuk bari nyetrék -keun remote tipi. Bibigeus bérés ngajina, gura-giru nyampeurkeunmang nyicikeun cai panaskana gelas paranti ku -ring. Los ka rohangantamu, teu lila balik deuibari ngasongkeun am-plop rada gedé warnabulao.

“Néng Nana, ieu aya

uleman ti putrana Pa RT,badé ditikahkeun. Asalebar nya Néng, nembélulus sakola, can didamel,tos badé ditikahkeun. Ahdasar urang kampung Ci-bungur,” ceuk si Bibi.

Kuring cicing barinyekel gelas nu dieusianku cai panas, keur ngom-prés ramo nu kateukteukpondok teuing.

“Néng Nana, naha teutuang? Teu emam na -naon?” ceuk si Bibi deuibasa nempo kuring cicingwaé. Teuing ku naon soréieu kuring asa nalangsa.Komo tadi basa tasMaghrib nampa teleponti Marni, sobat dalit nugeus sabaraha taun teupapanggih. Naon pica-tureun isuk mun panggihjeung Marni?

“Pokona isukanurang panggih di CaféCamperenik waé, ambéhbabari ka dituna. Da étamah lokasina deukeut kamana-mana,” ceuk Marnidina telepon.

Hapé digolérkeundina nachkaas di gigireuntempat tidur.

Lamunan nyawang katukang jaman keur kuliahkénéh, jaman abring-abringan, babarengan tu-

juhan. Kabéhananaawéwé, daratang tipilemburan, Tasik-malaya, Sukabumi,Bogor, jeung Jogjakarta.

Unggal peré semés -teran sok silih anjanganka lembur masing-ma -sing, ka Jogjakarta nga -bring tujuhan, ka Tasik malaya ngabring ogé tu-juhan. Resep aleut-aleu-tan ka ditu-ka dieu.Lembur saha baé sok di-anjangan. Sok poho kanadiajar, poho kana nyieunskripsi, méakeun waktuperé. Mun rék saré nga -robrol sabulang béntor,lebah ngedalkeun eusihaté jeung cita-cita tu-juan hirup kakara ngo -brol rada bener. Lawasteu patepung, babaturannu sakitu dalitna, tayahiji ogé nu kuring nyahonomer hapéna.

Kuring ayeuna digawédi Purwakarta. Unggalpoé nyieun laporan fi-nance, laporan itu-ieu, dapausahaan gedé nu dipi-boga ku bangsa de-ungeun. Ayeuna mahkuring téh teu pati idealiscara jaman kuliah ba-heula. Ayeuna mah nupenting bisa digawé bogaduit keur hirup bekel so-

rangan. Ménta ka kolotda geus éra. Ménta kalanceuk geus rimbitan.Ménta ka adi, pamohalanda keur kuliah kénéh.

Karier kuring bisadisebut maju. KasebutnaKepala di kantor. Cicingdi imah dines. Aya si bibinu purah mantuan mer-sihan imah, aya supirkantor purah nganteurdigawé.

Purwakarta kota leu-tik. Ka mana-mana ogédeukeut. Nya ari keurbosen mah di imah dinesjeung aya peré tanggalbeureum, kuring sokbalik ka imah kolot diBandung. Panggih jeungema, bapa, lanceuk, katutadi. Alhamdulillah leng -kep kénéh, aki gé ayakénéh.

Peuting beuki tiiseun.Sora jam ukur kadéngébeuki cékas. Adan Isya dimasjid tukangeun imah,hawar hawar kadéngé tikajauhan. Rét ka si bibinu keur ngadongéngkeunanak Pa RT nu rék dira-palan. Kuring éléh déét,milu mairan dongéngna.Bérés mairan si bibi, lajudahar ngan saeutik. Nga-hargaan ka nu geus hésécapé mangmasakkeun

Ka Saha Geusan BalakaKu Ida Haka

Page 20: Mangle 2470

19Manglé 2470

unggal poé.Hudang kabeurangan,

da si bibi henteu tégaeunngahudangkeun kuring.Réngsé bébérés, teukungsi lila kadéngé soramobil nu ngajemput asupka garasi. Terus waépamit ka si bibi.

Nyanghareupan rapatrutin unggal tengahminggu jeungnarima tamugeus bérés,nempo ar-loji geusjamdua

welasleuwihduapuluhmenit. Geuswayahna istira-hat. Kuring bébéjaka sekretaris rék ka luarkantor sakeudeng. Supir,Mang Darma geus siaprék nganteur kuring kaCafé Camperenik.

Di Café Caperenikmilih korsi rada ka jero,di pangsisina, nyang-hareup jalan méh babarinempo unggal jalma nuarasup ka Café Campe -renik. Tamu kahiji,kadua, katilu, kaopat,

lain kénéh Marni. Kuring geus dibéjaan

ku manéhna rék datangmaké baju beureumcalana panjang hideungsiga siki saga, cenah mah.Itungan tamu ka dalapan,karék aya

jalmaasup maké bajusiga nu disebutkeun kuMarni kamari soré.

Kuring ngagupayan,manéhna nyampeurkeun.Bener wéh éta Marni, nulawas ti lawas teu pa-panggih. Kuring ngaga -brug, silih rangkul,cipika-cipiki, jadi tongto-

nan tamu nu lian. Ciri nunapel kénéh yén étaMarni, aya kempot dinapipina.

Marni asa angger waé,jangkung leutik, kulitsedeng. Bédana, ayeuna

geus maké jil-bab,

nutu-pan buukna nu

semu galing. Manéhnangadongéng, geus bogabudak hiji, umur duataun. Salakina digawé diPurwakarta ogé, pagawékantor pajak. Saméméhka Purwakarta Marninelepon heula ka imahkolot kuring, nepi ka me-

unang nomor hapé.Marni bébéja saang -geusna kuliah meunanghésé capé diajar, kalahkaka balé nyungcung, lakirabi jeung batur salem-burna. Terus milu jeungsalakina ka Lampung. DiLampung meunang opattaun, terus dipindahkeun

ka Purwakarta.Marni nyari-takeun ogé

kaayaan ba-baturan

sobatdalit

nu

lianna.Kabéh

genepanmasih kénéh

sok nyaram-bung, ku hapé, ku

sms, ku bbm, malahanmah aya nu ku facebook-an.

“Ngan Nana wungkulnu pleng les. Sakitulilana, naha teu sono kituka urang genepan?”

“Ihhh lain kitu Marni,hapé kuring jaman ba-heula leungit. Nomernakabawa leungit kabéh,buku alumni leungit,basa tas dicongkél di

Page 21: Mangle 2470

Manglé 247020

parkiran mobil. Jadi,kuring ogé leungiteun ba-baturan kabéh sobatdalit. Kuring ogé asapareumeun obor, euweuhbatur patanya.

Jadi ayeuna geuslengkep deui, geus tu-juhan deui,” témbal téh.

Kuring ngadongéng timimiti wawuh ka salakinu ngan sakolépatan téa,terus kawin. Manéhnaterus sakola, baliknasaminggu sakali. Lila-lilakuring bosen jeung teusabar, matak kuring so-rangan nu merekede -weng maksakeun manéhhayang pepegatan waé.

Harita kolot jeung mi-toha rareuwaseun pisan.Asa dibéntar gelap cenah,asa dipokpokan naonboa. Kuring anggerheuras, hésé dipeperna.Kuring ngadatanganKantor PengadilanAgama, nyieun surat tun-tutan geus teu cocog,geus teu saimah, padahalkuring ogé masih cicingdi imah kolot sorangan.

Harita henteu kaciptabakal nguciwakeunsaréréa. Aya gurung-gusuh rasa amarah kamanéhna, nu wekel kanacita-cita duméh hayangngaréngsékeun sakolanaheula. Indung bapa kur-ing geus saateun cisocanyingkahan kuring pepe-gatan. Taya nu didéngéhiji gé. Kitu deui indungbapa, mitoha kuring,aranjeuna daratang kaimah kolot. Nganaha-naha ka indung bapa ku -ring, ieu téh aya naon?Nepi ka luluasan hayangpepegatan. Kuring tetepteu miroséa.

Sidang di pengadilan

agama ku kuring disang-hareupan sorangan, in-dung bapa jeung mitohaduanana, taya nu datang.Saksi kuring teu di-hadirkeun, ti pihak salakiogé henteu aya saksi.Salaki datang ka pengadi-lan agama ngan dua kali.Sakali, basa mariksakeunkelengkepan adminis-trasi. Kadua kali, manéh -na beurateun kénéh,masih mikanyaah, mang-

hanjakalkeun. Mun bisamah, gugatan talaq di-cabut baé.

Prosés sidang sinakumpul deui, riungmungpulung deui. Kukuring teu dipaliré. Ung-gal balik ti pengadilan,kuring ulin ngabang-brangkeun manéh. Balikka imah peuting, nempoindung jeung bapa taraditanya ngabududus waé.

Papakéan salaki nuaya dina lomari dialung-alungkeun, dikaluarkeun,dibalangkeun ka luarkamar. Dipérénan ku siMbak nu geus lila ku-mawula ka indung ku -ring.

Si Mbak sok katemposiga nu rambisak, mang-hanjakalkeun nempopolah kuring. Manéhnaogé osok mapagahan ku -ring. Rumah tangga mahhésé, teu aya nu babari.Urangna kudu sabar,ihlas, muntang ka GustiAlloh. Ari keur dipapata-han kitu, kuring kalah ra-jeun nyentak ka manéh na, “Nanaonan pipi -lueun? Lain urusan

manéh! Paling ogé dititahku indung aing.”

Hasil akhir sidang diPengadilan Agama dipu-tuseun ku talaq hiji.Harita kuring atoh pisan,asa meunang undiannaon. Kolot mah ka -tempo aralum. Kuringogé ngadéngé béja ti siMbak, mitoha lalakikeuna setruk. Mitohaawéwé katerap kasakitgula.

Nepi ka ayeuna kolotkuring masih silih anjan-gan jeng mitoha. Salakimasih kénéh sakolaneruskeun spesialisasina.Ceuk indung kuring,bésan jeung minantu eu-

weuh urutna da jelemamah lain barang nu sokkasebut barang urut.

Sakabéh jelema mahciptaan Alloh SWT nupangmulya-mulyana.

“Hidep anaking, geuranganjang ka ditu ka imahbapa ibu mitoha. Longo -kan ka ditu, urangnakudu ménta dihampura,”saur Ema.

Nepi ka ayeuna kuringmugen, embung. Sanajandina jero haté nu pang-jerona, sakapeung sokhayang ka ditu. Inget, dabalageur kabéh ogé.Nyaraaheun ka kuringtéh. Kuring éra ku salaki,ku mitoha, ku indungbapa, ku lanceuk, ku adi,ku dulur nu séjén, kutatangga. Kuring geusbalaka ka Marni, ngabu-dalkeun karerepet haté.

“Éra ku talajak soran-gan nu pondok pikir,Mar,” ceuk kuring.

Marni cicing, nga-betem. Ngarénghaplalaunan. Kuring nga -dongéng kieu ayeuna lan-taran ngarasa éra kutalajak sorangan, ngage -dékeun amarah nu teujelas mimitina.

“Nepi ka ayeuna geusaya tilu taunna kuringnyorangan, da laki rabimah ngan ukur sataun,”ceuk kuring ka Marni.

Marni teu nyaritasakecap-kecap acan, ci -cing waé, ngadéngékeunkuring nyarita.

Asa manggih geusanbalaka panggih jeungMarni téh, ku nalangsajeung bingung nyang-hareupan pikahareup -eun.***

Panglawungan 13

“Néng Nana, naha teu tuang? Teu emam

nanaon?” ceuk si Bibi deui basa nempo ku -

ring cicing waé. Teuing ku naon soré ieu ku -

ring asa nalangsa. Komo tadi basa tas

Maghrib nampa telepon ti Marni, sobat dalit

nu geus sabaraha taun teu papanggih. Naon

picatureun isuk mun panggih jeung Marni?

Page 22: Mangle 2470

21Manglé 2470

Angin sorésuar-séor,ngotélan da-puran gom-bong. Langitreueuk di-

pasieup geleger gelap lapat-lapat. Uncuing manting tijauhna mirig kosréknaléngkah mapay tanjakanjalan satapak. Ngahaja cun-duk ka ieu wengkon ning-gang dina lain mangsaambéh nyalsé tur karasakhusuna dudunga. Rekétpanto bébékan awi ngahu-dang kukurayeun tapi keurkuring teu béda ti wirahmakakangen nu gugupay sabanwaktu.

“Assalamu’alaikum, abdinu tambélar jolédar sejadeudeuheus maturkeun du’akasantosaan,” teu kebat brekdeku. Kurutug cipanonmengkek tikoro tepi ka teuwasa ngalemék.

“Bah,” ceuk haté ,” sa-daya-daya nyanggakeunbeuheung teukteukeun,mung sadu’a-du’ana anuyasa kasanggakeun kitu gémanawi bahan katampi.”

Bérés ngagaéng ngararabbab tasrif, Pangersa Abahpaparéntah sangkan ucul-ucul salin ku kaos, handa-panana komprang hideungsakumaha biasa. Di buruangeus ngajalajar babaturanaya kana likurna, gentak ba-batek laju ngaberetek,

“Angger énté mah arigeus kaporotan téh,” Sobarnyiku basa kuring seselen-dep, ukur nyengir minangkajawabanana. Pangersa Abahdi hareup, metakeun jurus

alip-alipan, diturutan kukuring sabatur-batur. Nunambah sumanget teh mo-jang kumeuheur pangaisbungsu Pangersa Abah, Nyi-mas Utari sok ulal-elol tinapanto balandongan kaka -peungan ngageneyen kahareupeun saréréa bari nga-jingjing téko, sok dina golo -dog tepas. Gepluk tasbémurag kageuweungkeun,sakalian andiprek lajunyeuseup nyecepna angingunung digulung jeroeun ja-jantung diburakeun ngali-watan baham, gorolang uluksalam. Dalapan belas cakrautama ukur wasa diwang-wang dibuleudkeun dinaputeran pancadria. Lepnarik napas mapatkeuntanaga kundalini ku caramepet palawangan qubul-dubul (palawangan hareup-tukang badan beulahhandap).

“Bah, jisim abdi nedawidi badé nohonan pa -ngang kirna nu gaduh kari-aan di Pasir Tonggoh,”kuring sasadu sabubarnawiridan magrib.

“Aéh heueuh, Abah génampa ondangan ti ditu,pupuhu paguron Gagak Ri-mang ngipat-ngipatan Abahkudu datang, seug atuhsakalian wé wakilan kuhidep da Abah mah moalbisa nohonan datang,” diki-tukeun asa mobok manggihgorowong, “Ajak wéh Punta,Purwa reujeung Sadibya.”

Gura-giru nyampeur ba-baturan nu bieu dipapado-nan ka kobongna. Basanurugtug ka landeuh gok

reujeung abringan para mo-jang nu dipupuhuan ku Nyi-mas Utari cenah tas nyam bungan ti nu hajat walima-han di Bantar Kasumba.

“Badé ka Paguron GagakRimang, ngaluuhan pango -gan pupuhuna ngawakilanTuang Rama,” témbal téhbasa Nyimas Utari tetelepék.Horéng paduduaan bohpangiring Nyimas Utari bohbabaturan pating belecet katonggoh jeung ka landeuh,

“Ditungguan di sasaksaung Gunung Tilu euy!”gorowok Sadibya.

“Aka, sing atos-atos,hariwang Imas mah cacam-puran kantenan urusansareng urang Pasir tonggohtéh!” ceuk Nyimas Utaridaria, cindungna gegele-beran diropéa hiliwir puhupeuting.

“Ingsya Alloh, kamelangNyimas bakal diestokeun kuKaka! Nam geura mulihbilih Tuang Ambu deudeu-peun jabaning wanci nyedekka wengi pan!”

“Muhun atuh Ka, omatsing waspaos wé nya!”

Saléosna Nyimas Utari,bet teu puguh rarasaan, tagi-wur nyambaraan ratug ja-jantung. Lelembutankabawa langhéor Nyi Mo-jang padépokan tapi ogékacida inggisna sabab ku ituku ieu pada marebutkeun.Léngkah digancangkeuntaksiran babaturan geusélékésékéng di Gunung Tilu,siet sada logam ipis ngalem-pag ti gigir, jelas nojo pisankana beuheung. Hiji-hijinacara iwal ti ngareundeuk

dépok da lamun diléréttangtu baris kabeunanganmantén. Samangsa logamipis nyamos katangén duajirim ngajuringkang nyam-peuk, sacara réplék awakmeta usik buaya ngangsar,tina dépok suku katuhu ngu-lawit saparo puteran maren-gan leungeun anu ngaga lasar sahibas buaya depa.Tétéla duaan anu narajangtéh rancingeus, ngadonracleng ngalégot ka kén-caeun jeung ka katuhueun.Bareng jeung éta, gerewek titukang aya nu nongtak, dualeungeun dipiting pageuhbari sirah didangheakeun,tel tiis-tiis neueul kanabeuheung, horéng balati leu-tik.

“Coba-coba ngadeukeu-tan komo jeung reureujeun-gan jeung Nyimas Utari,awas siah tong atoh manéh!”ceuk nu neueulkeun balati.

“Lah sakalian wé dodétayeuna kénéh, bugangnaurang balangkeun ka jurangpiraku teu aman,” nu tu -kangeun nyelengkeung, so-rana digerem-gerempuguhning beungeut-beung -eut mah teu sidik, buni kuiket hideung anu diteregos -keun.

“Keun heula anan euy,ayeuna mah tong waka dipo-daran ngan lamun budegwaé kakarak si Gagak Kran-cang sina barang hakanmalaur geus heubeul teuingteu nguyup getih!” tembalnu nyekel balati deui, bisadipastikeun Gagak Krancangtéh ngaran balatina.Meureun kaceplosan tapi

Karémbong Sutra KayasCarpon Emha Ubaidillah

CCarita Pondok

Page 23: Mangle 2470

Manglé 247022

bisa waé miceun salasah.Teu burung jajantungmotah, nyawa asa sajlok-jlokeun mecleng tinawarangka. Reketek matek ajiLembu Sekilan, jekok jekokbeungeut pada ngareuceuhpungkasna awak pada nga-jungjungkeun, keleweng ge-brus wéh kana rungkun.Sanajan awak teu cécél-bocél malah teu peureus-peureus acan, perlu sakeurkuring api-api kapiuhanngadédéngékeun sahamaranéhna téh ngan waéweléh ukur sada hiuk anginkateumbragan jorélat ring -kang. Ras keur nyuluran nujadi guru, inget deuih babat-uran keur narungguan, nu

pangingetna ka NyimasUtari, nanasibanana boaleuwih pikahariwangeunbatan kuring. Jung cengkat,guriwel leungeun bet nga -rampa logam ipis bréh balatileutik panjangna ukursajeung kal tina tungtungpérah, pasti nu tadi dipakémalédog aing ceuk haté baringajam moal rék cuih kasasaha.

“Ka mana heula ari énté?Abong ngobrol jeung nuhérang bet poho kana pa -ncén,” datang-datang kasaung sasak, Sadibyanyarekan pasemon mahjigah nu reuwas. Purwajeung Punta gé teu tinggal -eun kutuk-gendeng.Kuring

teu lemék, némbal gé hayohnyiar-nyiar picacapékeun.Panghadéna iwal hahampu-raan, bring wéh ka tonggoh.Méméh maratkeun du -dunga, awak nguniang.Kabeneran teu jauh ti dinyaaya tajug reujeung tampian -ana. Wanci magrib dinageger gunung karasa geueu-manana, gecrék tasbé dinaramo ngawirahma keteg ja-jantung. Sada geblig nuleumpang atra ngadeukeu-tan, taksiran deuk banyat katajug ngan baé kalah ngi -les.Haté ngalenyap baranghawar-hawar kadéngé ge -rem si belang. Sada cakcaksilih udag dina tembok asaku riweuh, gepluk murag.

Biasana parebut hakaneunatawa parebut bikang, bisaogé parebut wilayah ka -kawasaan, kumaha wéjelema.

Geus leuwih ti sapuluhbubuhan, pasangan adutanding ragot mamérkeunwewesén padépokan sé -wang-séwangan. PadépokanGagak Rimang minangkapribumi nyayagakeun sagalarupana geusan kalancaranacara. Nayaga gé beunangngondang ti Pasir Jelekongnu kawentar tukang ken -dangna Bah Encuy Si Tan-gan Guludug atuh tukangtarompétna ngadatangkeunsi Déwa Tarompét ti pagu -ron Gajah Putih. Demi dina

Page 24: Mangle 2470

23Manglé 2470

pintonan ibing, boh tunggalboh masal tétéla paguronPaksi Gedugan Cigondéwahpingpinan Cép Mayok jadibéntang panggungna,panongton sugema tangkaséah éak-éakan. Pas tengahpeuting tilu jawara jlung-jleng kana panggung, usiknamatak moho anu nempomatak pogot nu niténan,sareundeuk lain boboho -ngan. Jleng jleng tiluanmurid Kidang Kancana, rékngajajal, Der bitotama, ukurdua geprakan ngadon di-garotong ka luar panggung.Jleng ti Garuda Sakti, tuktek-tuk tek digarotongdeuih, ti Simpay Warginyakitu ngadon ngajurah -roh, ti Tapak Suci, ti DewaSamadi ti Kujang Pajajaran,ti Sukma Sawawa ogé tipadepokan Jagat Sétrangadon arolab dina pang-gung antukna Ki Wasit tan-dang biantara, “Kalayansagala kahormatan, supadosmajeng baé wawakil atanapiutusan ti padépokan GagakLumayung,” Gebeg, sahadeui nya kuring saparakan -ca, niat mah ukur rék jadipanongton. Mun teu dite-dunan pisakumahaeun dica-campahna Pangersa Abahturta panghinaan ka nu bogahajat. Lahaola jung nang-tung bari ngagupay Purwajeung Punta, kalacat gogmemener kuda-kuda. Kolé-bat, teu kanyahoan jug ayanu ngajleng kana panggungbari teu sidik saha-sahananajan tilu patromak mabralantaran maké dudukuycetok nu dibaguded kusamping poléng. Ieu sidudukuy cetok ménta di-layanan heula tarung jeungcalon lawan tanding kuring,ukur sababaraha geprakanlaju mundur ménta dila -yanan ku Punta jeungPurwa. Sanggeus dirempugku limaan mah kalawan teungaluarkeun késang sidudukuy cetok ngagorowok,

“Cukup cukup, hempék

prung taruluykeun.Jalu!”kolébat wéh ka luar pang-gung, les di nu poék. Saréréabati olohok ku polahna.Berekah lawan nu dianggappineunggar-cadaseun bisadiperuhkeun bari teu baréd-baréd acan. Anggur tibalikngadon remen kagitik kuPunta jeung Purwa, pari -basa, “Hampura euy teu ka-haja!”

Basa keur narukan ka-cang panjang di kebon, Nyi-mas Utari ngurunyung,“Kaka teu naon-naon basakajantenan di Pasir Tonggotéh?” pokna semu hariwang.

Ukur gideug ongkohngadadak pered létah, “Teukedah dikilungan balaka wéka Imas, Kaka! Da singsumpahna ge moal diucah-acéh ka sasaha.”

Barabat wéh didongéng -keun ti mimiti aya nu megattepikeun ka kajadian diluhur panggung.NyimasUtari neuteup seukeut, ku -ring keukeureuceumansérab. Kusiwel kana pésakkabayana, song diasongkeunka kuring, bréh tilu lambarsurat nu ngébréhkeun rasakatresna ka Nyimas Utari.Helok ogé, horéng kirimanPunta, Purwa jeung Sadibya,

“Ari manah Imas ka sahaatuh pancegna?” dikitukeunkalah gigideug, luk tungkulpaheneng-heneng sakeda-pan,

“Nyimas?” cék kuringasa kaselek, nu digero ceng -kat, “Sapertosna Kaka téhtos kedah jengkar ti dieu ,kumargi galagat ka payunnabaris ngiruhan wengkonpadépokan.”

“Kaka,” Nyimas Utarimegat, “Tos teu nyaah kaImas nya? Tos teu émut pansaur Kaka badé sasarenganngaageungkeun padepo -kan?” kituna bari nong-gongan, eundeuk punduknamatek kadeudeuh, bruy braybéntang jeroeun rasa. Enyagé asa ka adi bet ngurumuyrasa nu béda.

“Nyimas kupingkeun,”pok téh bari ngeteyep nyam-peurkeun.

“Teu kedah nyaketan,badé angkat mah mangga,teu kedah wawartos sagala,”pokna nyungkun. Reg,léngkah kakonci tapi kagokasong sakalian rék ngabu-dalkeun galurana rasa anuwungkul keur manéhna.

“Kaka téh nyaah ka Nyi-mas, kanyaah anu langkungti ka rayi. Malihan saupamiteu ambon sorangan Kakatéh hoyong nyandak Nyimaska dayeuh,” semet dinya,Nyimas Utari kaburu malik,haté beuki tagiwur sok sieunsalah kekecapan.

“Leres cariosan Kakatéh? Cariosan anu kedal tinamanah atanapi sakadarngabeberah?”

Kuring unggeukngayakinkeun. Basangagabrug, méh-méhan wéhngajéngkang kapidara,sadar-sadar leungeunnanyredkeun dada laju ngusi-wel kana pésak sabeulahdeui, selengseng seungitmalati tina karémbong sutrakayas dina keupeulanana.

“Saur Abah, sing sahapameget anu tiasa ngarebutieu karémbong, nya eta pi-batureun hirup Imas,” Sabotnyarita kitu, angin gunungujug-ujug ngagelebug.Karémbong sutra ngoléangkokoléangan.

Hideng sorangan awakngolébat nyabet karembonganu rek dibawa kabur kuangin, kep beunang. Songdiasongkeun, sakereweknakana keupeulan NyimasUtari, kuring ngobrot kamanéhna anu mundur ngu-dar samping réréngna,horéng geus saged dipangsi.Karémbong disamber tapinu nyampak kipratandampal suku, gilek nyerongka katuhu. Kek ditanggeuytapi ngulawit ngababad

pigeulang malah pigeulangkénca dijieun tatapakan.

Julaprét suku kéncanarék ngababuk punduk ku -ring. Lep teuleum, nginjeumpeta papatong mandi. Sa-puan anu ngeplos robahnutug kana embun-embun -an. Sabot ngagiwar, leung -eun kénca ngarawél Karém bong ngan baé ukur nga -ranggeum angin.

Nu dirawél robah nilepngawangun siku, nyuruntuldeuk ngarakrak caréham.Kep ditampa ku dampalleungeun katuhu laju disu-rungkeun, nyod méréanrobah ngagolék. Leungeunkacerek langsung diparieus -keun. Sabot murilit, keu -neung nénjrag jagat matektanaga angin panas.

Peleteng téh NyimasUtari mecleng sababarahadeupa, clek nancebkeunkuda-kuda bari nyurung -keun dua peureup ngawa -ngun tanaga jero DewaSamadi. Sier, tuturus kacangpanjang racleng aya we-lasna.Teu ieuh ditadah,ngondang picilakaeun ba-rina gé, gentak ngalégot lajunorolong nyampeuk ngin-jeum gerak puyuh mabur.Kek, pigeulang nu nyekelkarembong dikonci, tépmeta aji Brajamusti.Kérépéng, ber…karémbongngoléang kahébos gelebugangin panas. Berebet duaanpaboro-boro ngudag, ka -rémbong nyampay dinadahan jeungjing, gegele-beran. Karérét Nyimas Utarikalah tungkul béakeun ceta,barang tanggah ukur gideuglungsé tandaning teu untu-pan naék. Reketek matektanaga, belesat kana dahanjeungjing…

Leungeun nyasar pésakjékét, ginjel karémbongkarasa. Golédag nangkarakbengkang. Sada jangkriksada kasir nongtoréng

NNyambung ka kaca 38

Page 25: Mangle 2470

Désémbér1996,ngabimbingibadahumroh

diteruskeun ka Éropa. KaLondon, Paris, Brussel,Amsterdam. Ambéh pan-tés, dingaranan wé “umrohplus muhibah MuslimÉropa”. Nu rék didongdondi Ĕropa, sajaba ti obyék-obyék wisata kamashur,nyaéta masjid katut komu-nitas Muslim nu aya didinya. Jadi salila perjalan -an, lamun geus nepi kanawaktu salat, kudu asup kamasjid. Salat jama ta’dimatawa ta’hir, kumaha kabu-runa.

Bérés umroh, biur kaLondon. Dalapan jam per-

jalanan. Datang ka puseurdayeuh Karajaan Inggristéh, pkl.06.00 isuk-isuk.Ku nu ngatur perjalanan(guide), henteu langsungdibawa ka hotél. Tapikukurilingan heula ka rés-toran (mumuluk), karatonRatu Inggris (BuckinghamPalace), Tower of London,lalayaran di WalunganThames, mall, pasar, jsb.Salat asar jeung lohor(jama ta’hir wal qosor) diMasjid Raya London.

Ti dinya, asup ka mu-seum patung lilin MadameTussaud. Ningalianpatung-patung para keken-tong kamashur saalamdunya. Kaasup patung Ir.Sukarno, presidén RImunggaran (1945-1967).

Kuring dipoto ngaré -ndéng jeung patung-patung nu “dipikaresep”.Kaasup jeung dua jagomaén bal nu teu bireukdeui jaman harita, ÉricCantona (Prancis) jeungKarl Héinz Rummeniége(Jerman), sakumaha nukatingali di dieu.

Sajaba ti koléksipatung lilin, Museum Tus-sauds dilengkepan ku dio-rama sajarah Éropa AbadPertengahan. Ngagam-barkeun rupa-rupa huku-man nu ditibankeun kajalma-jalma nu dianggapjahat. Aya nu digantung,dirangkét, dibelok, dikulubku minyak panas, diteuk-teuk beuheung ku “guilo-tine”jsb. nu matak

muringkak bulu punduk .Aya dua tilu jamaah teukuateun ningali. Kapaksadijajapkeun ka luar.

Ti dinya, ampir tengahpeuting, karék dibawa kahotél “The Great Éastérn”di tengah kotaLondon.Wangunananabadag, jangkung, tur kuno.Diburuanana , aya prasastidieusi tulisan. Nerangkeunyén éta hotél, urut wangu-nan rumah sakit nu nam-pung korban “PerangSalib”. Diwangun abad 13ku Raja Richard The LionHéart.

Sanggeus babagikonci, jamaah dibawa katingkat tujuh. Ari kuringmeunang kamar di tingkatdalapan.

Kangaranan hotélkuno, sagalana gé kuno.Lampu reyem-reyem.Ramat lancah patinggulan-tung.

“Wah, matak jadi uru-ara kaya kieu mah,” cékhaté.

Enya wé. Barang ja-maah diperenahkeun saka-mar duaan atawa opatan,langsung tinggaroak. Nye-but embung. Komo awéwé.Bari tingbirigidig sagala.Tingalajrét. Kapaksa disa -gebrugkeun. Rombongan80 (dalapan puluh urang),sina ngeusian opat kamar.Da kitu kahayangna.

Enya kamar baradag.Sakamar disayagian tem-pat tidur dua belas. Atuh

Manglé 247024

PPuridingPuringkak

Ngalawan “JURIG” InggrisKu H. Usép Romli HM

Nu nulis jeung patung lilin Éric Cantona (katuhu), Karl Héinz Rummeniége (kénca)

Page 26: Mangle 2470

25Manglé 2470

puguh nu kabagéansakamar duaanatawa opatan, pro-tés. Jaba kamar jigakotor, lalangitnabarolong. Pantokamar mandi nga -léklék. Ukur diha-langan ku réréganplastik bodas. Bakmandi émail, ma -lang. Sarérétan mahjiga mayit ngagolér.Saha nu luas saré dikamar “horor” kitu.

Geus nempat -keun jamaah, kuringnaék ka tingkatdala pan. Murukamar jatah. Tinalift nu sorana koko-rokotan, ka kamartéh aya kana limapuluh méter.Lampu medem.Tapi unggalngaléngkah, braycaang. Pareum deui,caang deui. Sapan-jang lulurung nujuka kamar, réa kamarmuka. Pantonararuksak. Di jeronaréa bragbrag-brug-brug warna bodas.Aya nu warnaoranye, kawasparanti ngawadahanmayit. Kurang-ku-rangna ludeungmah, matak soak.

Sup ka kamar,muka panto nga -gerét tarik. Jandélangaleklek.Mangkaning usumtiris. Kipas angin,hideung lestrengpinuh ramat lancah,oyag-oyagan nge -ndagkeun lalangitbutut. Bak mandingajelepeng jigamayit.

Geus ucul-ucul,bari ngagoledag saré,kuring susumbarlalaunan :

“Sok siah jurigPerang Salib, geuradaratang ka dieu.Yeuh aing, anak buahSalahuddin al Ayyubinu ngéléhkeun RajaRichard The LionHéart, ngahaja nga-jorag sia.”

Alhamdulillah,saré tibra nepi kasubuh. Tas salat di -sambung deuingalenyap nepi kapk.07.00 waktupanto digedoran kupelayan hotél, ngan-teurkeun mumuluk.

Tepung jeungsakabéh jamaah dilobby, keur nunggunu mapag rék nu-luykeun perjalananka Paris, récok nyari-takeun pangalamansaré di kamar “jurig”.Aya nu teu daék reup,tapi teu kungsi ka -wénéhan melongjurig sakolébat-sakolébat acan.

Ceuk Si Jon,guidé nu rék mare -ngan ka Paris, étahotél kajojo pisan kuturis luar nagri.Sabab mangrupasalah sahiji hotélkuno nu réa jurigan.Manéhna ngarasaanéh, turis Indonésiamaké nyebut sieunjeung teu bisa saré diéta hotél istimewa.Kawasna Si Jon teuapaleun yén urangIndonésia mahsarieun ku jurigtéh.***

Page 27: Mangle 2470

CCarita Heubeul

Nu rék diadujajatén geusadu hareup -an, padanyarangkinggagaman.

Panangan katuhu nyekel tum-bak, anu kénca nyangkingkepeng. Seuseukeutna tumbakdibuntel ku lawon kandel,sangkan dina keunana ulahnepi ka mateni. Nu narongtonlolobana geus nyarangka,Ukur nu baris kasoran, jeungpada baturna aya nu haharé-wosan, cenah ieu mah teutanding. Atuh saha nu rékhenteu boga pikir kitu, dapuguh ningal waruga mah,Ukur téh éstu katitih, éléhgedé éléh longok, mun dinahayam téa mah. Kuturug-turug Ki Jajengrono mah geusloba pangalamanana, kaasuptamtama wijig-pinilih, hésénéangan tandingna.

Tapi mungguhing Ukurmah, nénjo lawan saluhureuntéh henteu galideur teu gimir,teu gedag bulu salambar,anging tumamprak kana ker-

saning Hyang Widi.Keur waktu adu-hareupan,

Ki Senapati Ronggonotonyampeurkeun, bari pokngadawuh:

“Ku sabab aya dawuhnaKangjeng Sultan, yen Ki Ukurtéh arék dicadangkeun kanasenapati, pikeun jadi wawakilkaula, adu jajatén téh kuduenyaan, lain saukur tongto-nan. Ku éabab eta, tumbak téhseuseukeutna henteu kudu di-buntel, lugas saperti dinamédan pupuh biasa.”

Duanana bareng nga -wangsul: “Tumut satimbalanDalem,” bari prak buntelna di-aludar. Sanggeusna tarapti,Senapati miwarang prungngamimitian, bari ngalirik kaKi Jajengrono, semu nu ngan-dung rasiah.

Dasar Ukur jalma surti,lirik isarahna Ronggonotogancang kajudi. Cék dinahaténa:

“Tetela ieu Ronggonotogeuleuheunana ka aing, najanaing henteu tuah henteu dosa.Moal salah deui pamaksuda -

nana téh, supaya aing eng-goning diadu jeung Jajeng -rono, tinemu bobor karaha yuan. Tapi mungguhingPangéran mah tara nanggeuyti bongkokna, ngan aing kudupohara ati-atina.”

Gancangna kudana diba -ralikkeun, Jajengrono malikngalér, ari Ukur malik ngidul.Sanggeus kira-kira meunangsaratus méter séwang tuluypasanghareup-sanghareupdeui. Bareng jeung gumu-ruhna sora tambur jeung baji-dor, sebrut kudana ditale garkeun, mengpengan ngaburulawan. Tumbakna dihompétku leungeun katuhu;seuseukeutna dibenerkeunkana lebah dada musuh.Képéng dicekel ku kénca, barisakalian dipaké ngeupeulkadali; henteu pageuh tipe -pereket, ukur dicapit ku in-dung leungeun jeung curuk.Tapi sanajan kitu, dasar kudapalajaran, iceus ngarti kanakahayangna nu tumpak.Lumpatna kuda meleteng lirmimis bedil, nyemprung

ngaburu ka musuh. Nutumpakna itu ieu pada wani,taya karisi kagimir. SamalahJajengrono mah, ku lantarannénjo lawan sahandapeun,haténa nguntup takabur, bogarasa aing anu bakal unggul.

Ku kituna manéhna radabalangah, ilang duduga per-joga. Barang srog pasarandog,sajeroning kuda keur padamengpengan. Jajengrono kuUkur kapiheulaan nyuluduk -keun tumbakna. Ngan hadénabaé masih bisa kénéh katampaku képéngna. Atuh barangbeletak téh tungtung tumbakpaadu jeung taméng, henteubéda jeung anu ditotog kugada beusi, anu kacida beu-ratna. Sanajan seuseukeuttumbak teu nembus, Jajen-grono ngadayagdag, golém-pang tina kudana, bru ragrag.Labuhna nangkarak beng -kang. Tumbak katut képéngnalésot tina genggemanana, ra-grag di sakénca-katuhueu-nana, kudana kawas aya nungusrukkeun, sukuna nuhareup nyorodot, bru labuh

Manglé 247026

{ 44 }

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

Page 28: Mangle 2470

huluna nyuuh. Ki Jajengronosajongjongan kapiuhan sakingtarikna tibeubeut jeung dadakatiban tumbak. Moal boakarasana tangtu eungap, jeungbari ambekan nyesek.

Ki Ukur, barang ningallawanna ngajoprak teu usikmalik, gancang turun tina ku-dana, nyampeurkeun nu keurngagolér. Nu lalajo suraknaayeuh-ayeuhan, pada ném-bongkeun kabungah; teu di -sangka jago adu bisa kaéléh keun ku si Jajangkar. Jajen-grono ku Ukur digugahkeun,ditanggeuy lebah pundukna.Gék diuk, barang rét nénjo kamusuh, ngoréjat bari jungnangtung. Henteu antaparah

deui kerewek Ukur dicekeltaktakna kéncana, jebét dita-mpiling pisan. Ku tariknapanampiling, Ukur rada nga-balieur karasana rada peureus.Barang rék dipindo, gancangsirahna digilekkeun. Leung -eun Ki Jajengrono milepas,munggah ngahiuk, nampi -lingna henteu keuna. Rikat kuUkur disusul, dicekel lebahpigeulangna jeung sikuna,tuluj dicentok saeutik. Jalmasakitu jangkung gedéna, dapuguh dina saat éta tanaganakeur kosong, bru labuh tisu -sut, beungeut nyungkur kanataneuh. Ger deui ramé nusurak, panuju nénjo kari -

katanana Ki Ukur. Jajengronohudang deui, ambek tambahngagugudug, nyeri jeung nan-dang wiwirang. Arék mundurhenteu kolu, éra geus kasebutpamuk. Gawéna larak- lirikjalang-jéléng, bari nangtangsorana arapap-eureupeup,ambek nyedek tanaga midek.Rét katénjo tumbak di deu -keut na ngagolér. Gancangdirongkong, sakedep nétrageus aya dina tanganna deui.Dicekel bari diamang-amangpok susumbar:

“Eh Ukur, nya ayeunamanéh baris paéh ku tangankami. Pék geura sambat in-dung bapa anu ngayuga jeungtobat ka Nu Kawasa!”

Ki Ukur imut ngagelenyu,rintih ngawalon:

“Aéh, aéh naha Kang Masbet kalangsu, bendu munggahbébéakan. Atuh ari jurit sina-tria mah, kedah nganggo tata-titi tindak-tanduk, makéduduga peryoga, ulah nirulampah diu.” Jajengrono tam-bah séwot, boga rasa diwi-wirang:

“Ah montong loba carita,anggur pék geura tadahan ieupaksi tumbak kami, urangpaké niir awak manéh.”

“Atuh ari rék keukeuhjeung keukeuh mah kaulakudu ngayonan kagagahansampéan, sumangga téh teu-

ing ngiringan kana pangersa.Kuring iklas bibilasan, paturayraga jeung nyawa, ngabéla ka-hormatan,” walon Ukur ayemtengtrem.

Séot Jajengrono muru,bari nojoskeun tumbakna. Nudiincer lebah dadana. TapiUkur dasar wedalan patapanéstuning awas waspada, awastingal seukeut rasa, henteu ka-palingan rérét. Awakna nganukur ngagilir saeutik, ny-ingcétkeun héatna tumbak.Jajengrono tijongjolong, dapuguh ngan nubruk hawa.Keur nyoloyong gancang tum-bakna ku Ukur ditongtak.Babari pisan pot lepot tina pa-nyekel. Ki Jajengrono. Ki Ja-

jengrono malikan, karepnaarék ngarontok deui. Ku KiUkur digiwarkeun, bari disapusukuna, dibarengan ditonjokiga burungna. Bru nambru,henteu empés-empés. Gerdeui nu surak ayeuh-ayeuhan,ting gorowok ting haroak,némbongkeun kabungah haté.Pangna kacida barungahnatéh, éta pédah Ukur anu sakitungorana tur masih kénéhbangbangan, maké bisangéléhkeun jago kahot, anusakitu jangkung gedéna.

Tapi Ukur mah bisangéléhkeun pamuk Mataramtéh, henteu pisan ném-bongkeun ieu aing, suma-

wonna mun angkuh gumagah.Barang ningal lawan geus nga-jéngjéhé henteu empés-empéstéh, ku manéhna buru-burudisampeurkeun, diguyah-guyah dihudangkeun. Atuh nulalajo naréndjo kasatriananaKi Ukur téh, ger sarurak deui,bakating ku mikadeudeuhsarta panuju.

Sanggeusna Ki Jajengronodiparayang kaluar di pakala -ngan, Ukur disaur ku Kang-jeng Sultan ka babancong. Didinja geus aya Senapati Rong-gonoto, keur sila mendeko dipayuneun Sultan. Barang rétkatingali, Ukur gasik dipi-warang unggah ka babancong.Cedok nyembah, gék diuk disatukangeun Ronggonoto.

Kangjeng Sultan alonngalahir:

“Ukur, kasantikan jeungwewesen kaprajuritan manéhku kami geus katingali. Hen-teu sangka kabina-bina manéhgeus bisa ngelehkeun Ki Tam-tama Jajengrono. Kami po-hara bungahna ningali manéhngabogaan darah prajuritsinatria. Pantes upama manéhdiangkat kana senapati kadua,jadi wawakilna Ki AdipatiRonggonoto. Kumaha manéhpurun?”

Ukur rintih ngawalon,ulatna marahmay:

“Abdi gusti sumeja tumutkana pangersa. Anamung abdigusti henteu rumaos unggul tirahayat Gusti anu sanésna. Kumargi éta henteu aya sanésmung sumeja nyembahkeundi kabodoan Kana pangasihDampal gusti, abdi gustinampi kalajan kabingahan, di-tampi ku asta kalih, disuhundina embun-embunan, kaula-nun.”

Kangjeng Sultan ngaraosbingah, ngadangu piundjukUkur, anu sakitu perlénténa.Timbalanana:

“Sukur bungah pisan,manéh geus purun nampa étakalungguhan. Haté kami tam-bah reugreug, boga taméngdada pantaran manéh.” ***

(lajengkeuneun)

27Manglé 2470

Page 29: Mangle 2470

Manglé 247028

Bagian

201

CCarita Nyambung

Peuting ka-243

Kira-kira wancihaneutmoyan, ku-runyungronghéap nudatang tung-

gang kaldé. Jrut turun, horéngmanéhna téh awéwé geuskolot pisan, geus nini-nini.Sabrehan gé kateguh, éta nini-nini téh lain jalma joré-joré,écés tina papakéanana sarwamahal nu ngan ukur kabeuliku jalma-jalma jugala.

Nu boga toko, tabib téa,ngabagéakeun nu datang. Teuloba cacarita nu séjén, semahtéh langsung nanyakeun asalusul éta tabib.

“Andika téh tabib anyar tiIrak téa?”

“Leres pisan.”“Kabenerean atuh,” pokna

deui. Dadarad nu anyar datang

téh cacarita. Intina mah nété -la keun pangna inyana datangka éta tempat. Puguh gé geussababara poé bingung nu teu

manggih tungtung lantaranselir anyar holipah kawas nugering ngalanglayung. Ku lan-taran kitu, inyana téh tetele -pék ka nu sakira-kirana wa wuh jeng tabih wacis nu bisangubaran rupa-rupa kasakit.

Satutas cacarita, éta nini-nini nu taya lain ti kapercaya -an holipah dina ngurus paraselir, ngumaha ka tabib sang -kan daék ngubaran selir anyartéa.

“Saha jenengan éta selirtéh? Sabara yuswana sareng timana asal-usulna?” ceuktabib.

Nini-nini ngajawab sa-tarabasan. Sakur kanyahonanu tumali jeung Niam taya nudikilungan. Sagala rupana di-dadarkeun ku Niam ka étanini-nini dicaritakeun deui kaéta tabib.

“Euh kitu nya? Nya,mudah-mudahan wé atuhubar ti kula téh jadi cukanglantaran éta selir sehat deui,”ceuk tabib.

Sajeroning kitu, haté tabibmah bungah kacida. Ngan, teu

nembongkeun kagumbiranaharita, lantaran bisi kumahaoman. Ceuk pikirna, kudu lan-tip sangkan rarancang nugeus ditataharkeun bisa ka-hontal kalayan lungsur-langsar.

Di tempat nu teu jauhtabib jeung nini-nini ngobrol,Nikmatullah mah mani re-bing-rebing wé ceulina téh.Najan teu kabéh kabandun-gan lantaran bari pura-purameresan kéler ubar-ubaran,dirina yakin nu keur dicarita -keun ku nini-nini téh pama-jikanana, Niam téa.

Nu keur api-api meresanwadah obat-obatan téh katempoeun ku semah. Sajongjong -an mah, si éta nini-nini téholohok. Kaget ku rurupaan étapamuda nu méh sakeureutanjeung dununganana, seliranyar téa. Atuh umurna deuihpakokolot supa.

“Ari éta saha?” ceuk nini-nini bari ngareret ka Nikmat-ullah.

“Anak kula.”Nu diobrolkeun mah api-

api teu malire wé. Malah,saterusna mah ngaléos kabagian ubar-ubaran lantaranku tabib sina nyokot obat ba-

hankeuneun ka nini-nini. Etakasempetan ku Nikmatullahgé dimangpaatkeun pisan.Manéhna nulis surat sacewirdiasupkeun kana peles obat.Geus kitu dibikeun ka bapakukutna.

Réngsé ngalaksanakeunkapereluanana, nini-nini mu-lang deui ka lingkungan ista -na. Langsung muru tempatselir holipah nu ditempatkeundina kamar-kamar nu ngaja-jar kenca katuhu. Aya kanawelasna éta kamar husus paraselir téh. Lian ti nini-nini, nujadi kapercayaan holipah téh,adina anu awéwé nu umurnasaluhureun Niam.

Niam angger alum.Panonna beueus kawas nu tasceurik.

“Geus kitu wé, milik urangsaréréa! Ku kabeneran, ieunagri kadatangan tabib nusakitu hebatna. Geura wé,sabada nanyakeun ngaranhidep, langsung apal kanakaayaan hidep nu sabenerna,”pokna ka Niam.

Nu diajak nyarita mah teungawaro. Pikirna teu katajisaeutik-eutik acan. Ngan,waktu ningali tulisan nu napelkana pelés téa, bet ter haténa

Page 30: Mangle 2470

29Manglé 2470

ngageter, da asa apal kanatulisan kawas kitu téh. Ku lan-taran kitu, inyana gancangnyokot éta wadah ubar sartamuka tutupna. Bréh aya deuitulisan, nu taya lian ti sair nuditungtungan ku ngaran nunulisna.

Saterusna, nini-nini téhmopoyankeun, tabib bogabudak lalaki, ngarannaNikmatullah. Dicaritakeundeuih ciri-cirina. Geus nga -denge kitu mah, yakin wéh étanu disebut budak tabib téhtangtu salakina.

“Punten atuh pangnya -nda keun cai,” ceuk Niam kanini-nini.

Nu dititah langsung kadapur. Teu kungsi lila mawacai herang kana gelas. Dia-sonkeun ka dununganana.Lek Niam neureuy ubar ditu-turkeun ku cai saregot.

Teu kungsi lila, paromanNiam tembong marahmay.Atuh, puguh wé ningali dunu -nganan langsung cenghar téhnini-nini kacida bungahna.Ceuk pikirna, parobahan kitutéh lantaran ubar tabib nukacida mujarabna.

“Kumaha karaosna,geulis?”

“Lumayan, Ni.”“Sukur atuh!”“Cobi atuh nyuhunkeun

tuangeun!”Nini-nini beuki bungah.

Da, ceuk pikirna, Niam téhbener-bener pulih sabihari.Geuning harita kénéh lang-sung hayang barangtuang nuhartina kasakitna geus leu -ngit. Padahal, Niam mah teusing ngarasa lapar, da nupuguh mah sangkan si emapangasuh indit deui ti tem-patna. Kituna téh, lantaran

teu kuat hayang deui macasair nu ditulis ku salakina téa.

Peuting ka-244Keur guntreng ngarobrol,

torojol Holipah sumping.Kaget tur bungah lantaranNiam beda pamulu. Da.Katukang-tukang mah apansakitu pikahariwangeunana.Beungeutna haropak, panon -na celong, neuteup kosng. Ariharita, apan kawas nu teu sa -kara-kara.

“Haturan, Gamaparan.Bagja salira téh!” ceuk nini-nini.

“Kumaha kitu, ma?”“Garwa salira parantos

pulih sabihara-bihari.Bawiraos, eta téh cukang lana-tran tabin nu pinter nam-baan.”

Gorolang nini-nini nyari-atkeun cara éta tabib

ngubaran sarta hasilna nukasaksén ku manéhna. Mé-mang, kituna téh jeung buk-tina. Kabandungan, Niam géapan cageur, kawas nu teusakara-kara.

“Upama kitu, ema mulihdeui ka eta tabib. Pasihkeunieu artos pamulang tarima,”ceuk Haolipah.

Nini-nini téh datang deuika eta toko. Masrahkeun duithadiah ti holipah sarébudinar. Sakalian deui masraha -keun surat ti Niam ka Nika-matullah.

Niam muka surat. Tak-siran teu kuat nahan kasedi-hna. Harita keneh ngalimbangeclakkeun cipanon. Nya,tangtu wé, nini-nini téh kage-teun pisan.

“Har, naha bet ceurik?”“Tangtu wé, da Nam téh

pamajikanana,” ceuk tabib.Derekdek tabib medar

lalakon Nikmatulloh. Inyanatéh pantes rék kagegeringangé lantaran pamajikanana ayanu nyulik. Nya ku lanatrankitu deuih arinyana, ngahajamuka toko obat di éta nagringarah sakali mangsa mahbisa manggih jalan geusannepungkeun éta nonomanjeung pamajikanana.

Nini-nini kakara ngar-tieun, Manhena kacida karun-yaeunana ka Nikmatulloh téh.Ceuk pikirna, pantes upamamanéhna ngupayakeunsangkan salaki jeung pama-jikan téh leupas tina bang-baluh.

“Ulah kapalang nulungan.Pek wé duit mah keur ema,malah mun bisa nepungkeunanak kula jeung pamajikanan,ema dibere peresenan tam-bahna sarebu dinbar deui.”

Ema pangasuh selir nyng-gupan. Ngan, cenah, kudutitih rintih, sangkan cainaherang laukna beunang.Pakarepan nini-nini disa -luyuan ku tabib jeung Nik -matulloh. Hartina, dinangalaksanakeun patekada -nana téh moal gurung-gusuh.

*** (Hanca)

Page 31: Mangle 2470

Manglé 2470

Abah téh kaasup patani tulén. Keurukuran urang lembur mah Abahkaasup jalma cukup, da ukuran ka-

sugihan di lembur mah taya lian nyaétalega sawah jeung kebon sarta bogasababaraha urang panyawah.

Di antara sawah-sawah garapan Abahtéa, aya genep kotak anu perenahnalebakeun pisan imah. Di dieu Abah jeungAmbu resepeun pisan kukucuprakan,sabab sawah nu ieu mah tepi ka Ambupupus ogé teu disérénkeun ka anu nga-garap.

Legana sawah nu di lebakeun imah téa27 areu, ti imah Abah téh ngan karinyukang, meuntas susukan leutik, beulahkulon jeung wétaneun sawah dikurilinganlembur. Atuh geus teu matak anéh, unggalaya urang lembur anu popolah, seungitnasok kaambung. Nu mais hurang walungan,melenghir tepi ka sawah, seungit paisankaambung samara bawang; aya nu keurngeletik, seungit kaangin-angin, atawa anukeur nyangu béas ceré sok hayang sahuap-huapeun nyocolkeun kana sambel oncom.Dalah anu keur nyangray teri ogé matakuruy kana huntu, dicicipta matak ponyolamun dipaké deungeun kéjo.

Basa Ambu ngantunkeun, sawah leba -keun imah dipasrahkeun ka kuring. Mak-sud téh dina buka waris kapasrahkeun kakuring. Kabeneran da meunang hayang,sabab ngan éta-étana sawah anu deukeutka jalan gedé mah. Mangusum-usum di-parokeun ka anu haat nyawahan, tapisanggeus pagawéan kuring deukeut kapangsiun mah nyobaan digarap ku sorang -an. Rada jungjat ogé, kawantu lamun nga-longok sawah téh didugdag Sukabu mi-Cibeber kurang leuwih 48 kilo méterjauhna. Ari Abah, ti saprak indung maottéh cicingna betaheun di kuring.

Bulan puasa kamari, ngahaja ka lem-bur ngalongok sawah meunang tandur.Méméh miang, ceuk Abah téh tutuhantangkal kelewih nu sisi galengan, goréngkana paré jeung daunna nu murag sokngarungkupan dapuran paré. Réngsé solatlohor di imah titinggal indung saged muruka sawah. Enya wé daun kelewih pabalatakdi luhureun kotakan, sajaba ti kitu téh hu-luwotan cai ti susukan bedah kabanjiran.

Batu-batuna anu tinggulutuk ka hilirkeun,ditumpukkeun deui sina ngajadi bendung -an. Pagawéan nu bangga da meureun ku -ringna geus lawas pisan tara migawépagawéan anu beurat kawas harita.

Dur bedug asar, masih keneh di sawahmangkaning aya keneh hanca pagawéannyaéta nutuhan tangkal kelewih. Teu kapi-gawé da awak geus karasa nahnay, anggurngadon diuk dina hunyur anu aya sasau -ng an. Bari ngararasakeun capé kasawangdeui dina ingetan, paripolah Abah munkeur ngolah ieu sawah, kira opat puluhtaun kaliwat....

Geus matuh, rebun-rebun réngsé solatsubuh Abah geus singkil turun ka sawah,migawé sakumaha keur usumna: macul,tandur tug tepi ka usum tandur deui. Kira-kira wanci pecat sawed, Ambu ngulutrak tidapur ngajingjing téko jeung ngais boboko.Dina hunyur jeung saung ieu pisan duaan,Abah jeung Ambu sok balakérakan duaan.Sanajan teu nyoara, kasawang batin dua-nana norowéco, neuteup paré anu karékceb ditandurkeun, neundeun harepanpikahareupeun. Komo mun paré geusmeujeuhna lilir, mangsana dirambét anumunggaran diteruskeun kana dirambétmindo atawa ngaduakalian. Diteuteup tisaung ieu, bari ngareureuhkeun capé di-hariringan ku angin nu ririh, dialokanrécétna sora manuk dina tatangkalan sisi

sawah. Ambu jeung Abah mah tara aya poékaliwat, mun geus mangsana taya pa-gawéan, naon wé dicabak di sawah téhpulak pelak pepelakan, bibinihan dirin-tahkeun kana hunyur deukeut saungatawa sapanjang galengan. Atuh saméméhparé rampak ogé, dina hunyur jeungsapanjang galéngan raweuy dituturusan:buah roay meuhpeuy sapanjang areuyna,paria rantuy sapanjang tuturus, céngékkeur sumedeng tumoké, jeung kacangpanjang ngararumbay, istuning raweuyalaeun reumbay alaeun téh lain kacapan-gan wungkul. Mun réngsé maturan Abahdahar, Ambu sok putak-petik diwadahankana ayakan, tuluy nguprek deui di dapurnyayagikeun keur Abah ngawadang beu-rang.

Tas solat duhur Abah turun deui kasawah, tampolana mah solat asar ogé sokngahaja di saung. Harita mah dipapantes,naon resepna, naon ni’matna hantemkekeceprekan di sawah? Horéng kakara ki-wari karasa ni’matna ku sorangan. Emh,ni’mat pisan nyeueung cai anu léb-lébannaék tina bendungan susukan, terusngarayap nyaian sakabéh kotakan. Kaciptaparé anu karék lilir ogé bungaheun lan-taran keur merlukeun pisan cai ulah tepika kasaatan. Naon-naon anu dirasakeunharita, moal béda, malahan mungkinleuwih sakumaha anu dirasakeun ku Abahbaheula.

Ras deui ka Abah, paingan atuh Abahbaheula, sapopoéna téh teu weléh ngoprékdi sawah. Papagonna ogé tukang tani pi-tuin mah hirupna di sawah, usum maculngalongok sawah meunang macul, ngalo -ngok tanduraneun, geus ditanduran nga-longok rambéteun; terus dilongokan tepika mangsana sawah pibuateun jeung pa -culeun deui. Sakali-kalieun Abah sok ra-jeun melak lauk, utamana mun usum taunkali lain morékat, bari nungguan binihdibabutan, lauk tina ukuran ngebul téhgeus sagedé indung leungeun, satengahbulan deui gé bisa kaala tilu ramoan.Sawah meunang nganglér ririakan katojolayung soré, lauk tingsiriwik mun diawu-ran huut. Kiwari tapak lacak Abah diterus -keun ku kuring, sabab Abah jeung Ambumah ngan kari panineunganana.***

Tapak Lacak AbahKu Endan Sukanda

30

PPanineungan

Page 32: Mangle 2470

31Manglé 2470

TangaraKu Ekik Barkah

(mairan seratan Sadérék Samson ngeunaan kohkol)

MMimbar Atikan

Dina majalah Manglé nomer 2465(Maret 2014) Sadérék SamsonAwa Kartiwa nyerat perkawis

‘parabot kohkol’ anu iinditanana ti pilem-buran. Karya, karsa, cipta urang Sunda nubasajan gelar tina pangaruh lingkunganalam tropis (ékologi) nu jembar ku rupa-rupa tutuwuhan di padumukan anu datarjeung pagunungan nu dipindingan ku pasirwukir, jurang jungkrang nu lungkawing(geomorfologi).

“Kohkol, tongtong,awi saruas atawa kainu dicokrah paranti méré tangara ku caraditakol; sok digantungkeun di garduh, ditajug (masigit), jsté.” (Kamus Umum BasaSunda – Lembaga Basa & Sastra Sunda,1985).

Sadérék Samson nétélakeun yénparabot kohkol salaku média informasi ko-munikasi pikeun masarakat tradisionalmangrupa tangara, béwara, iber pikeunbalaréa (ngageroan ronda, mun aya tamu,ngabéjaan rapat, ngabéjaan mun aya musi-bah, moro, ngabéjaan mun aya nu maot).

“Tangara atawa tanghara,tanda atawacicirén ku sora kohkol, hatong jsté.: tangaraaya kahuruan tanda ngabéjaan aya kahu-ruan ku kohkol dititirkeun, locéng, jsté. Di-tangarakeun diumumkeun tanda-tandana.Anapon nu dingaranan ‘hatong’, nyaétangaran tatabeuhan (sora) nu ditiup; alatpikeun méré tangara di pabrik,di kapallaut, dina lokomotip, jsb. Disadana tarik(ngahéang) ku setum, band, sirineu” (LBSS– KUBS, 1985). Hatong ogé ngaran asésorispikeun manuk japati sangkan dina keurngapung bijil sora ngahéang, pon kitu deuitukang kuéh putu nawarkeun dagangananamaké sora hatong ciri khasna.

Di jaman perang kamerdékaan ngala -wan penjajah, barudak urang sok arulin diburuan bari kakawihan:

“éhon bérod, éhon bérod, éhon bérod/roda sapi buntung/ tunggir hayam bikang/kangkung sisi gawir/ wira dagang oncom/comél ka nu gelo/ lodong mani ngentrung/trong, trong, trong kohkol alarem” .

Kohkol ti baheula mula, alat pikeuntangara ayana bancang pakéwuh atawamusibah jeung émbaran penting lianna.Tina répertoir lagu-lagu rakyat (folklore) diluhur, sajaba aya kecap ‘kohkol’, ogé aya

kecap ‘lodong’. “Lodong ruas awi gedé(gombong), alat paranti wadah lahangatawa cai (biasana dua buku ditotos.Lodong kosong mani ngelentrung, paribasakeur jalma bodo nu loba omong, boga laganurutan nu pinter (KUBS-LBSS, 1985).

Kacindekanana, kagunaan parabotkohkol jeung hatong téh teu kurang teuleuwih pikeun wawaran (béwara) saku -maha ditulis ku sadérék Samson, yénkohkol téh kaasup peran média komu-nikasi tradisional nu nyoko kana manaje-men informasi di perangkat désa kayaningronda, masjid, jsb.

Kumaha mimitina diciptakan strukturtatabeuhan kohkol pangna kitu rupana?Urang papalasipahan (hipotesa/kirata =dikira-kira nyata). Cék sakaol mah rupakohkol jeung panakolna téh ngagam-barkeun wanoja jeung pria (maskulin &feminim). Ruas awi dicowak beulah jeungpanakolna; kitu deui kohkol kai gedé di-cokkrah beulah jeung panakolna, anu disawatara tempat aya panakol nu hulunadibuleudkeun, buleneng (sacara verbal di-raut siga kalangsari –kelamin, bobogaanpameget, penis).

Saméméh ditabeuh dititirkeun, sipanakol nu buleneng téh diasupkeun heulakana cowak kohkol, dikorolak-korolak -keun, satuluyna kakara ditabeuhkeun (di-takolkeun) kana kohkolna ngawirahmasakumaha kaperluanana (béja datangnawanci solat diadumaniskeun jeung nakolbedug; béja kapapaténan, béja aya bancangpakéwuh jsb.) Dina carita-carita pantunSunda, béwara raja pikeun ngumpulkeunrahayatna kacaturkeun sok ditabeuh‘bendé’ ku Léngsér karaton.

Dina muatan lokal budaya Sunda,kahirupan urang Sunda, boh nu kalebet up-acara-adat boh kalangenan jeung kabi-asaan-kabiasaan séjénna, sok disasmita keun (silib siloka) jeung laku-lampahmanusa jengléngan pria jeung wanita dinaurusan libido seksualitas. Upamana baédina adat kawin Sunda, kayaning upacarangeuyeuk seureuh, nyawér, nincak endog,jste. Dapon substansina mah mangrupapapatah keur nu anyar panganténan.Babasaanana juru heuyeuk henteu kalebetcariosan nu porno, ngan baé biasana sok

rada cawokah ambéh ramé nu ngaregep -keunana. Dina parabot ‘nutu’ di pilembu-ran baheula, ‘lisung’ huluna dirékamangrupa ‘gelung’ perlambang wanoja,anapon ‘halu’ paragi nutu paré perlambangpria. Mangsa nutu di pipir leuit, sora halupaadu lisung ngawirahma awor jeung nunutu bari reureundeukan, rénghap ranjugditéma ku napi béas bari gutak-giteuk im-bitna. Sora lisung tutunggulan ogé tangarabéja ka balaréa ciri wanci datangna mangsapanéen sakumaha kagambarkeun dinahaleuang ‘gondang’:

Tingtung-tingtung tutunggulanngagondang talari buhunwarisan ti nini-akiadat pamaké baheulabada panén rumpak jami

Trok-trak gondang kawas surakdiiring kentrung ngabarungéar ngoncrang ka wiatiombak-ombakan sorananyukang lebak mipir pasir.

Sakitu seratan perkawis muatan lokalkahirupan urang Sunda, hususna nudumuk di pilemburan anu singkur dinamangsa-mangsa ka tukang. Sakumaha anudipikamelang ku sadérék Samson AwaKartiwa yén naha bakal sirna kaéréd jamanmodéren alatan ku lajuna kamajuanteknologi industri, jsb. Ieu seratan singgetétang-étang mairan baé (ngapresiasi) kanaseratan pun Samson nu mimiosanana tinadisiplin ilmu komunikasi.

Naha tangara kohkol, lisung, kantuntilasna jeung waasna? Gumantung kana la-juning-lakuna urang Sunda di kiwari jeungka payunna.

Cag. ***

Bandung, 05 Maret 2014

(Catetan: mugi-mugi baé ieu seratankabaca ku Sadérék H. Uu Rukmana, anukantos manggung ngagondang di pang-gung Alun-alun Bandung, ngélék ja-jangkar (hayam jago), nalika mantennarumaja di taun 60-an)

Page 33: Mangle 2470

Manglé 247032

CCarita Nyambung

Bet ras kaCamatDjuhaeri dilembur anupikasebeleun,anu waktu

keur pemilu salapan tujuhkungsi ngontrog ka imah.Marga lantaranana pédahkelir héjo anu meunang soradi lembur kuring téh. Ari Apapan geus puguh ajengan, haji.Saeutikna boga pangaruh.Kari-kari tadina diomat-omatan, ari dina kabuk-tianana nyalahan. Atuh teuwudu bahé carék bébéakan.Tug ka ngocal-ngocal sualngaspal jalan sagala rupa.

Pon kitu deui anakna, CepHerwan, anu pundukna kukuring kungsi digebug makékonci Inggris. Keur usumtawuran kénéh harita mah. Siéta sakola di SMA, kuring diSTM. Hiji poé pasarandog dijalan, bari itu ieu réaan. Tung-tungna dur-der di dinya ké -néh. (Kuring mah ngahajatuluy ngarah si éta. Geuleuhtuda, ngajago. Untungna teunyahoeun saha nu ngage-bugna, da dibongohan ti

tukang).Séor angin nebak kana

tatangkalan. Kalakay garingmaluguran tina tangkal cari -ngin luhureun sirah. Tuluyngabarak di handap, namba-han bala palataran. Sawaréhreuteum kana sirah jeungbangku tempat diuk.

“Ari Papap tos terangeunkitu?” tanya kuring sanggeussawatara lila pahaneng-heneng.

“Ka Yudi? Henteu, teukantos dicarioskeun.Meureun teu ngocoblakmah,” témbal manéhna alum,bari angger neuteup ka lebahjalan raya.

“Ti baheula mula Papapmah ngan ngatur jeungngatur wé gawéna téh. Ituulah, ieu ulah. Kudu kitu,kudu kieu. Kapungkur gébasa daptar kuliah ka dieubari satengah dibaeudan.Naon cénah jurusan ékonomi,mending nyokot jurusan ilmupemerintahan. Ambéh eng -kéna bisa diselapkeun ka in-stansi. Padahal da lain kadinya kahoyong Mel mah. Ba-rina ogé haroréam, urusan

damel waé kudu disulap-selap sagala. Mel gé bisanéangan sorangan. Abongenya Golkar si Papap mah.Orde Baru!” Pokna deui.

“Golkar kitu? Karék apalYudi mah,” cék kuring baringalieuk, neuteup kerung kamanéhna.

“Lah, sahenteuna atuhngantor di propinsi. Pan basanuju ngiringan démo gé Melmah ngabélaan susulumput -an. Tapi tungtungna mahterangeun ogé.”

“Nyeuseulan?”“Puguh wé, atuh. Nya

nyentak, nya énjingna teu di-pasihan artos. Sigana téh ka-jeun tong indit ka kampussakalian. Mun teu murakcéngcéléngan mah meureunharita gé moal tiasa kabur kaJakarta.”

“Kabur kumaha?” tanyakuring deui beuki panasaran.

“Muhun, basa ka Senayantéa. Saleresna mah bari pun-dung éta téh. Da uih ti ditu géteu teras ka bumi. Mondok diréréncangan aya kana sam-ingguna. Mun teu karunya kasi Mamah mah kajeun tonguih-uih sakalian.”

Eureun heula. Luk ma -néh na tungkul, bari ramonangomé tali kantong. Kuringmah ngan ukur wasa nga -rérét. Haté ngageremet.Ambek ku hiji, ku dua. Nganduka kudu dibudalkeun kasaha. Pamustunganana mulekdina sirah.

“Ayeuna gé kahoyongmah asa mending kabur wé.Ngan duka kedah ka mana.Kabur ka bibi atawa kaemang, paling engkéna ogédiuihkeun deui, siga basa

nuju jaman keur SMA. Taraaya nu wantuneun ngabantahka si Papap mah,” cék manéh -na semu saréh.

“Ari wargi ti Mamahkumaha? Maenya teuingngantep mah.”

“Wah, komo. Mamahnyalira teu tiasa kukumahapayuneun Papap mah. Barinaogé wargi ti Mamah mah ja-rauh, teu aya di dieu. Teu patilayeut ongkoh, da tara pen-dak.”

Rep jempé deui. Manéhnatungkul kénéh, neuteup kahandap kana sapatuna.

“Terang teu, Yud, saka -peung Mel mah sok asa han-jakal jadi anak si Papap téh?”

Kuring rikat ngalieukdeui. Rada ngagebeg ogé,manéhna wawanianan kedalucap kitu sagala.

“Ulah kitu, Mel. Buruk-buruk papan jati. Papap téhmarga lantaran Mel lahir kadunya. Rék gedé rék leutik,ari kanyaah mah tangtunaogé aya. Sagoréng-goréngnaogé da kolot sorangan.”

“Duka, lah, bingung Melmah. Naha Papap nu salahmikanyaah, atawa Mel anusalah narimakeun kanyaah -na? Tapi da geuning ari baturmah sakitu diayunkeunanaku kolot téh. Jujur, Mel mahsok sirik, da Papap mah teukitu. Sagala rupa kudu kuma -ha Papap waé.”

Eureun deui sawatara lila.Kuring mah ti tadi ogé ukurwasa ngalokan kana omong -anana téh. Teu, eusi haté anusaenyana mah teu kedalkeun.Da geus katulup moal aya gu-nana.

“Jadi kumaha atuh, Yud?”

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

1414

Page 34: Mangle 2470

33Manglé 2470

Manéhna malikan deui per-tanyaan anu tadi.

“Naonna nu kumahatéh?” Kuring anggur maliknanya. Heueuh, da sorangangé rumasa bureng, atuh. Asateu kabadé pijalaneun sate -rusna. Anu paling mungkinnya... pisah téa. Tapi apanembung ari ka dinya mah.Enyaan, keur kuring pribadimah beurat!

Manéhna ngadon ngahu-leng deui. Sarua bingung ta -yohna mah. Malah moal boaleuwih-leuwih. Kapaksa kudupisah ongkoh, dipaksa kududaék ka si itu ongkoh. Duatikel tah, embungna ogé apan!

“Saenyana aya alesanséjén pangna Mel nembébruk-brak ayeuna. Mel ho -yong terang heula dugi kamana niat Yudi. Mun téa mahukur heuheureuyan, percu -mah Mel wawartos gé. Keurnaon. Da meureun engkénaogé bakal nungtung kanaputus-putus kénéh. Nu matakayeuna Mel hoyong naros. AriYudi enyaan rék serius jeungMel téh?” pokna deui.

“Ah, asa bosen hayoh-hayohan nyarioskeun étawaé.”

“Mel butuh komitmen.”“Naon gunana komitmen

dina kaayaan kieu?”“Justru lantaran kaayaan -

ana kieu, Mel hoyong sumpahti Yudi.”

“Sumpah naon?”“Sumpah, Yudi moal ka

sasaha deui.”“Maksudna?”“Mel moal cicing di bumi

deui. Rék misah waé.”Kuring olohok mata si -

meu teun. Manéhna neuteupanteb. Sajongjonan ngan ukursilih pelong.

“Mel gaduh tabungan.Tiasa kanggo ngontrak kamarsatauneun waé mah. Teraskamari ogé aya nu nawisanngajar lés musik. Kumaha?”

Kuring ngahuleng kénéh.Manéhna angger neuteupanteb.

***Tulus ogé tungtungna

mah niat manéhna rék luluas -

an téh. Sabulan ti harita,manéhna enya-enya minggat.

Teu sirikna rerencepanukat-akutna ogé. Nungtutandibawaan sawaréh-sawaréhkana kardus jeung kantong,bari maling-maling bongohnanu di imah. Karpét, buku,pakéan, panungtung kompu -ter. Disakaliguskeun kompu -ter mah ngabanjutna ogé. Nyamonitorna, nya CPU-na.Tangka angkaribung dina

motor. Tuluy wéh manéhnanulis surat dina keretassalambar, ditapelkeun dinalomari. Teu ieuh mapadon -keun rék cicing di mana-dimanana mah. Cukup ku ke -cap “hoyong mandiri” waé.

Kuring sorangan saenya -na rada beurat rék nyaluyuanéta kahayangna téh. Geus ka-sawang tuda, sahenteunaengké bakal ngabarubahkeunka kulawargana. Keun ariurusan anu séjénna mah, bisakénéh dikasisikeun. Ngan anuteu weléh jadi pikiran téhnyaéta indungna. Wuri-wuri

anu sakitu dadah-deudeuhnabet tuluy kaleungitan ngadak-ngadak. Mangkaning budakcikal, bari pangawakanawéwé. Meureun teu asa di-gerejud mah rarasaanana.Malah moal boa bakal teruskagegeringan. Cacak baheuladipangminggatkeun sami -nggu ogé sakitu ngalangla -yungna.

Ayeuna ogé najan dibung -kus ku alesan “hoyong man -

diri”, tapi angger ari kase butna mah nya minggat téa.Enya, da teu ilahar atuh.Kawantu kituna téh lain lan-taran ngarasa geus lepas. Tapingahaja niat ngaleupaskeunmanéh, lir nu nyiar-nyiar pi -sangsaraeun. Indit ti gedongsigrong, ngadon sirarak-siru-ruk di rohangan ukuran tiluka dua méter. Ti nu tadinasalieuk béh, ayeuna ka nusalieuk béh deui. Ngan lebahanu béhna katénjo, anu bédatéh. Saupama di imahna mahunggal ngalieuk téh bakalnénjo parabot leuks atawa

furniture mahal, di dieu mahku sakali ngalieuk ogé bréhbaé kabéhanana némbrak.Komputer jeung printernangajugrug deukeut kasur.Tunjangeun kasur, erak bukuparéndéng jeung lomari baju.Sajengkal tina lomari baju ayaeunteung. Handapeun eun -teung aya rice cooker.Saléngkah ti dinya, kakarapanto kaluar. Bray panto, gokwé jeung jajalaneun gang anu

heureut tur rarupek. (Kétangaya nu teu katénjo ku sakalingalieuk téh: kamar mandi.Éta mah kapaksa kudu ngo -réléng heula ka tukang.)

Ku mireungeuh kaaya -anana ogé éstu matak teubetah. Sarundek jeunggarandéng pangpangna mah.Ngan dalah dikumaha deui,mémang kadugana samet“tipe” sakitu. Padahal éta téhgeus katitih murah, da per-nahna ogé lain di sabudeur -eun komplék kampus.***

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2470

”A, dupi Aa énjing moalka mamana?”

”Nya ndék atuh, Cid.””Badé ka mana, A?””Teuing.””Har?!””Naha maké jeung har

sagala?””Nu naha mah Aa bet

naha sagala rupi?””Iéééh kumaha ari

maaanéh?””Sumuhun apan nembé

saur Aa énjing badé ka ma-mana, nanging nembé kénéhditaros ku Encid ka mana, Aangawaler ’teuing’. Nya Encidtéh nyanggem ’har’ atuh.”

”Is tangtu isuk téh Aabakal ka mamana, Cid lan-taran pan kasebutna jalmahirup, da Aa téh lain bangkétur awak jagjag waringkas,asa piraku mun teu ka ma-mana téh. Ngan teuing kamana-manana mah da pu -guh kaperluan Aa téh teuangger kawas beus kota. Aribeus kota mah mun kaCibiru, Cibiruuu haben kawasnu teu nyaho deui lemburséjén, jaba jalanna ka dinya-dinya kénéh deuih kawas nueuweuh deui jalan séjén.”

”Encid mah naroskeunsotéh manawi aya kaperyo-gian Aa énjing nu parantosdiajam ti ayeuna badé kamana-manana.”

”Puguh wé aya mah, Cid.Ka pancuran, ka tajug, ka pa-

cilingan, ka kandang éntog SiUwa …..”

”Sanés éta, A pan éta mahparantos kantenan unggaldinten ogé kitu sapertos beuskota ka dinya-dinya kénéh.”

”Is atuda piraku ari Aakudu marab éntog Si Uwalos-los ka kandang éntog BahTukidi mah, kuriak Aa diben-tur ku Si Uwa pédah huutnadiparabkeun ka éntog batur.Lain ari manéh bet nanyakaperluan A Endul isukanndék naon, Cid?”

”Éhéh … teu aya nanaon,A ah ….”

”Aaah aya perelu nya?!””Éhéh teu aya.””Ayaaa lah Aa ogé nyaho

siah.””Sumuhun aya wé atuh

ah ari Aa uninga mah.””Ndék naon?””Ih saurna uninga, ning

Aa naros kénéh waé!?””Kencid, Aa mah nyaho

sotéh manéh aya perelu ka Aaisukan! Ari perelu naon-naonna mah teuing, panmanéhna ogé kalahka uhah-éhéh teu puguh can nyaritananaon.”

”Ih manawi téh A Endulsakti tiasa uninga kanakaperyogian Encid.”

”Wuah mun Aa sakti mahteu kudu susulumputan munndék maléngpéng limus SiUwa. Ndék dicetrékan wéatawadihéotan ti dieu sina

nyalampeurkeun. Pan amantah Aa, limus boga dibabuksirah ku Si Uwa henteu.”

”Orokaya ningali limustinggulutuk ka dieu mah Uwaogé tangtos nuturkeun tipengkereunana, upami ba -rang bréh éta limus ka darie-una téh wiréh dicetrékanatanapi dihéotan ku Aaangger wé Aa ku Uwa diha-puk. Boa ngababukna ogébedas pisan dugi ka bek-sek.”

”Naon bek-sek téh siah?””Sumuhun sakali dihapuk

teras teu empés-empés kapi-uhan.”

”Saha?””Aa, A Endul.”

”Waaah da manéh mahmani hayang puas waé ka Aatéh, Sarkencid!”

”Nanging teu kedah sa -lempang, A apan aya Encid.Ké Aa kapiuhanana moallami margi enggal-enggaldiceuceuhan ku Encid ku caikendi, pangambung Aa dia-songan lisah keletik.”

”Ku minyak angin nga-songan irung nu kapaéhanmah atuh, atawa ku ko -lonyo!”

”Wah nu nuju kapiuhanmah moal nanaon diasongannanaon ogé, margi moalémut nanaon A.”

”Kuma manéh wé atuhah! Ké lain naha ning manéhbet daék nyeuceuhan Aa?”

”Éhéh pan supados én-jing Aa keresa jajap Encid katoko Koh Ban Jih.”

”Ndék naon?””Badé ngagaleuh hapé,

sawios anu mirah ogé utam-ina mah tiasa dianggo ésém -ésan wé sareng Téh Hénirakana Si Enu. Pan Téh Hénimah pinter matematikamargi didamelna di pabrikroti. Si Enu ogé péér matem-atikana laleres waé margi di-wartosan ku Téh Héni,ngaésémés.”

”Ka Aa wé atuh nanya -keun péér matematika mah,Cid!”

”Pan A Endul mah teu ka-gungan hapé, sesah atuhngaésémésna ogé.”

”Ari maaanéh! Ari jong-hok kieu mah teu kudu makéhapé barina ogé, Kencid!”

”Nanging da Encid mahhoyong pisan gaduh hapéatuh, A sapertos Si Enu.”

”Ari duitna boga manéhménta dianteur meuli hapéka Aa téh?”

”Ka Engkoh Ban Jih, Asanés ka Aa.”

”Heueuh meulina mah kaKoh Ban Jih, dianteur ku Aa!Boga teu duitna?”

”Pan artosna mah ti Aa,da A Endul mah bageursareng béréhan.”

”Hngh ku marareunyiteuing, Turundul!!!”

***

Ku Budi Riyanto Karung

Manglé 247034

Page 36: Mangle 2470

Teungteuingeun nu Geulis

Sanggeus ‘’rapat pleno’ ’kuringsakulawarga peuting éta geussapuk rék nganjang ka Sukabumi,

maksud téh rék ngahadiran tasyakurni’mat réhna putra nu jadi kapilanceukbapa kuring tos disunatan. Atuh indungkuring harita langsung tatahar naonnaon wae nu rek dibawa isuk isuk, teupoho sapasang kelom geulis anyar kremsaheab med in cihampelas… tos disiap-keun, “ngarah rada ginding” … saurna.

Maksud téh rék barerangkat subuh,muru kareta api nu jam 5 isuk ngarahtiis jeung rada lila di panyabaan,Mamah kuring mere ideu nu ngareu -greugkeun.

“Satuju Ma” kuring mairan, padahalkuring mah geus kabayang rék maéndingdong di capitol geus saengkol jeungki lanceuk, atuh samemeh adan subuhkuring sakulawarga, Bapa, Mama, lan -ceuk nu lalaki, kuring jeung si bungsu(awewe) nu kakara 2 taun geus saraged,ngarah tas saralat subuh kari durcir…muru statsion Cibeber nu jarakna ukursakiloan ti imah.

Bapa manggul cau muli nu karekharayhay jeung ngajingjing bakakakhayam kampung has oleh-oleh panye-cep keur nu anyar disunatan dina kar-dus urut mie instan, lanceuk ngajingjingdus leutik, kareret hulu kere belut gore -ngeun rada merejel awahing ku meteteusina. Kuring kabagean mawa keresekeusi kadaharan sabangsaning leupeut,buras, gorengan jeung cai nginum jangsakalieun hayang ruab-raeb di per-jalanan.

“Lumayan ngiritan ongkos jajancenah,” Mamah méré alesan. Mamahngais si bungsu dikabaya, teu hilapnganggo kelom geulis kameumeut tea.Rurusuhan arindit muru statsion di-udag-udag hujan miripis sajajalaneun,kira-kira saratus meteran deui ka stat-sion kadangu sora klakson kareta meresinyal rek indit.

Kuring sakulawarga reuwas barising parelong “Geuwat gancanganleum pang na…” bapa kuring mere in-truksi bari ngagedig satengah lumpatdituturkeun ku lanceuk, kuring katut

Mamah pangtukangna.Mamah rada ceboy ma-pahna da ngangais si bungsu ditambih raksukan

garejed pleus tak tek tok sora hak kelomninggangan aspal … kari kari ayeunakudu satengah lumpat deuih … emh!

Panungtungan jalan aspal, nincakjalan taneuh barecek.

“Geuwat indungna…” bapa méré in-truksi mindo, ningali Mamah tipan-deuri saenggeus kuring tarepi ka lawangstatsion.

“Aduh tulungan bapana,” kadangusora indung bari gegelendeng ménta tu-lung, katingali sampeana bolokot kuleutak bari cupu-capa. “Kelom na nye-ceb sabeulah!” satengah ngagorowok.

“Tinggalkeun we ...” bapa rada hari-wang, bari mindeng ngalieukkan pantokareta, Mamah rada sabil … bari anggernyapaan “si geulis” nu weleh mugen diajak nyaba. Ahirna Mamah ngawarooge, bari ngajingjing kelom sabeulah nulamokot ku leutak, katingal rurusuhanbari jamotrot, ulatna alum.

Karunya aya hayang seuri ayaningali nu jadi indung dikabaya ginding… kahandapna disendal capit, meulidadakan saméméh kana angkot jurusanCibadak – Sukabumi, emhhhh... singsabar nya Mamah.***

Dede muhyarKp. Pasir Luhur – Ds. Cisalak

Cibeber - Cianjur

Pangantén Leungit

Gawe kuring ceuk nu resep loyormah tukang noong, pang-pangna noong nu hajatan;

ngawinkeun, nyunatan jeung sajabana.Alhamdulillah teu éléh ku PNS nukalolobaanana beunang nebus puluhanjuta, teu éléh ku pulisi jeung tengtara nukorsina beunang meuli ratusan jutanajan pating jareblag “tidak dipungutbiaya.” Teu kasééh pagawé samsat nusaban poé kabanjiran duit ngutruknajan ogé cing jareblag “awas calo”. Da nyakitu di nagri urang mah keurngacirikeun barang tiruan téh tinggalwé dina bungkusna “awas barangtiruan!” Tinggal ngiyaskeun wé yénmun di hiji tempat ngajeblag awas calo,pék hartikeun. Hal sarupa lumaku ogé

kana sagala widang, écés wéh nagriurang téh nagri baskom nangkub aliassarwa tibalik.

Maksud teu éléh, soal dangdanan,panghasilan jeung katénaran, lang-ganan méh teu kaladangan, tepi kajuru-juru lembur, kapipir-pipir pasir. Sabanpoé golep nyiripit, tapak licinan dinapakéan matak raheut anu noél. Dinataktak nyoléndang kaméra, leungeunranggém ku hendikém, duit merekiswaé, udud sagala ditatab, jigana batursakasur gé mun digugu mah méh sabanpéngkolan. Mangkaning di pasisianmah teu teu acan nyaho waragad dunyatoong-menoong matak sajebrodna téhlain bobohongan ongkoh prinsip bisniskuring teu maké papagon pembeliadalah raja, waah pibangkareun atuh.Prinsip nu dipaké pembeli adalahmusuh gerot nu kudu ngagolér KO,modal na mah amis basa amis beungeutwé, pokona santun mematikan. Haritajob téh di daérah Gunung Halu puhuna,ukur jam-jaman motor kadeudeuh geusngabagug di buruan nu boga hajat. Ayanu anéh sabarang nepi téh, kaayaanbarangreung tagiwur teu puguh.

Horéng calon pangantén awéwéngaleungit tijanari kénéh, nu naréanganbur ber ka saban lebak, cing alasruk kasaban ruyuk, kuring samar polah calonpangantén awéwé tepikeun ka dara -tangna rombongan pangantén lalakican kapaluruh kénéh, rajeun puta-potokalah pada nyengor,

“Keur rariweuh kieu téh kalahjuprat-jeprét, euy!”

Tamba kesel ngilu asruk-asrukan,asa acara investigasi aslina atawa peranpembantu dina filem Indiana Jones.Karak kapaluruh wanci peuting sareu -reuh kolot, calon panganten awéwé keurngoyok dina curug lebakeun imahna,water téh cenah kausap korod.

Diakadan-diakadan jam duabelaspeuting, juprat-jeprét labas tepikeun ka-subuh, teu karasa awak ngajéngjéhé ko-longeun panggung, hudang-hudangwanci subrang aya budak awéwékumeuheur deuk ngompol jéjéréwétan,rob pada ngarogrog…

“kameramén pingsan, kaméraménpingsan!”

Emha Ubaidillah Bratalegawa

35Manglé 2470

Page 37: Mangle 2470

Lélé KonéngNyai: Mah, hayang goréng lélé.Mamah: Is, nanaon hayanglélé?Nyai: Ih Mamah.Bapa: Kutan si Nyai teu apal.Nu ngarana lélé mah sato galak.Nyai: Naha Pa kitu?Bapa: Dibéjaan ku Bapa, lélé nuaya di balong téh sok silih daharsabangsana. Tah, lélé hideungmah komo pangresepna jeungpangaraksukna kana bangsalélé konéng.Nyai: Oh...Si Mamah mah kalahkah seurikikilitikan.

Abdul Toyib Sodikin Dusun Cibatu RT 03/03

Desa Cikareo Utara - Wado Kabupaten Sumedang

45373

Mie AlusMamah: Ujang, geura dahar ihburu. Geus beurang ieu téh.Ujang: Emam sareng naonMah?Mamah: Tuh aya lauk cai jeung

tahu.Ujang: Alim ah.Mamah: Ih, kunaon atuh em-bung dahar?Ujang: Mah, da Ujang mahhayang emam mie goréng jeungsangu goréng.Mamah: Is, ari si Ujang menikabina-bina teuing. Dahar mahnaon waé nu aya. Ulah sagalateuing.Enéng: Ih, si Ujang mah resepkadaharan nu garorénghungkul nya?Ujang: Naon kitu Néng?Enéng: Da Néng mah teu resepsangu goréng jeung mi goréng.Néng mah resep sangu alusjeung mie alus.Mamah: Hahaha, tah bener siEnéng. Pinter. Sok Ujang geuradahar ayeuna jeung lauk jeungtahu.Ujang: Enya atuh. (Barihoréam)

Abdul Toyib Sodikin Dusun Cibatu RT 03/03

Desa Cikareo Utara - Wado Kabupaten Sumedang

45373

Asin IAka : Naon sababna cai lautasin.?Ana : Lantaran ngandung unsurgaram anu rea.Aka : Lain..!Ana : Aya dongengna. Tina lu-lumpang jeung halu anu nutusorangan. Heug bijil uyah teueureun-eureun.Aka : Mani panjang lebar. Lainah..!!Ana : Nahaon atuh.??Aka : Sabab diasaan.

Yusuf Yuhendi – Cianjur

Asin IIAka : Naon sababna kesang, ko-rong, malah cenah cai kompolge rasana asin.?Ana : Heueuh.. Sarua siga cailaut. Sabab diasaan.Aka : Is.. Salah atuh.Ana : Sabab uing ulah benermaneh mah.Aka : Lain.! Sabab lamun amismah ku maneh dilamotan.

Yusuf Yuhendi – Cianjur

MaceuhAka: Hiji tambah hiji.?Ana: Dua.Aka: Dua tambah dua.?Ana: Opat.Aka: Opat tambah opat.?Ana: Dalapaaan.

Aka: Dalapan tambahAna: dalapan.?Aka: Eh.. Maceuh geuningsilaing mah.

Yusuf Yuhendi – Cianjur

Mesin Tik RusakBarudak jaman ayeuna teu nga -laman make mesin ketik anusorana tak tek tok kadenge ka-mana mana. Lamun mesinnaruksak biasana mah teu bisanyi tak hurup atawa jalannaaclog-aclogan.Kacaritakeun, redaksi salah sa -hiji stasion radio keur nyieunartikel make mesin tik nu sokaclog aclogan tea.Ari artikel anu ditulis nyaetasoal ‘ngala lauk di walungan’.Salah sahiji bagian kalimat nukuduna mah ditulis kieu:“Sanggeus nyokot ayakan, jutmanehna turun ka walungan.Ari sirib mah teu dipake da po-tong dina pepelengkunganana!”Ku lantaran mesin tikna aclogaclogan naha atuh eta kalimatjadi kieu: Sanggeus nyokot aya kanjutturun ka wa lungan. Ari siritmah teu dipake da potong dinapepelengkungannana

H.TaufikJl. Bima V no 11Bekasi Selatan

Manglé 247036

Page 38: Mangle 2470

Jangji+ “Dasar salaki gélo, pamajikanmaot kalah diléngkahan!”- “Da cenah geus jangji ka pa-majikanana mangsa keur jume-neng kénéh.”+ “Jangji naon cenah?”- “Ceuk pamajikanana, munhayang kawin dei mah pék wéasal ‘langkahi dulu mayatku’.”+ “Euuhh… pantesan atuh!”

Annisa MulandariJl. Cimanuk 234 Bandung

NonggonganAkang : “Nyi, malik geura. Aéhgeuning aya nya, widadari anuteu aya jangjangan gé.”Nyai : “Hhmm si Aa mah bisawé, ayeuna giliran Aa.”Akang nukangan Nyai...Nyai : “Hhmm... aya ogé nyamonyét anu euweuh buntutan.”

Annisa MulandariJl. Cimanuk 234 Bandung

Basa InggrisnaDada : “Basa inggrisna Bukapintu' naon nya?”Adul : “Open the door…”Dada : :Ari 'Pintu Tidak Dibuka-Buka', naon?”Adul : “Gedor-gedor wé,

SundaraJl. Ujung Berung No. 23

Babaturan- Sahabat sejati téh nyaéta: Munanjeun seuri, kuring gé miluseuri. Mun anjeun ceurik, uranggé milu ceurik. Mun anjeunlabuh. Komo mun labuhnahareupeun kabogoh mah, pastiurang bakal seuri nepi kaceurik.

SundaraJl. Ujung Berung No. 23

Salah NgaranAdi : “Saurna Akang usahawarung makan ayeuna mah,palih mana tempatna?Akang : “Tos ditutup puguh gé.”Adi : “Naha? Abdi mah teuterang namina-namina acan.”Akang : “Tuda teu pajeng.”Adi : :Naon namina réstorankagungan téh?”Akang : “Ancin…”

Maman SuwitaJl. Terusan Pasirkoja 89

Anyar KawinUdin : “Kumaha kawin téh nge-unah teu?”Odi : Boro-boro, dahar gé teumirasa…”Udin : “Naha?”Odi : “tuda sanguna gé eu-weuh.”Udin : “Euuhh… na los los kadinya..”

Maman SuwitaJl. Terusan Pasirkoja 89

Monyét+ Anjeun kumawani ngalamaranak kula, saha anjeun?- Kuring anak raja!+ Waaahhh…. Raja mana?- Raja Utan, alias monyét!

AryantiJl. Sutisna Sunjaya 155 -

Tasikmalaya

Wani-waniDodo : “Kumawani ulin ka dieusiah! Saha manéh?”Ibro : “Tah éta masalahna téh,abdi nyalira teu apal saha ariabdi!”

AryantiJl. Sutisna Sunjaya 155 -

Tasikmalaya

UdudPa Haji : “Cing ulah udud waéatuh..”Sujang : “Naha? Ku naon kitu?”Pa Haji: “lain teu meunang! Tu-rutan atuh Pa Haji, teu udud...kumpulkeun duitna..”Sujang : “Ké mu tos kumpulkanggé naon?” Pa Haji: “Ari geus kumpul mah,pan bisa meuli motor.”Sujang : “Ari pa Haji tos gaduhmotor kitu?”Pa Haji: “Can boga, naha makenanya kitu sagala.”

Mita ArmitaParakan Muncang

KersaAa : "Kersa teu janten kabogohaa?"Enéng : "Hapunten pisan, abdigeulis teuing keur Aa mah!"

Mita ArmitaParakan Muncang

INDONESIA JEUNGSUNDABasa Indonesia jeung basaSunda kadang-kadang sok pa-corok dina ngartikeunana.Komo keur barudak urangSunda ayeuna mah basa Sundajeung basa Indonesia téh geusteu bener pisan dina nerap -keun ana.Geura ieu sabaraha contona :Pun bapa ngegeleng-geleng -keun mastaka tanda teu satujuKulantaran halodo panjangwaduk waduk mani gararingManehna ngarasa bangga sabablulus ujiannana

H.TaufikJl. Bima V no 11Bekasi Selatan

Rumaja Baheula Jeung Ayeuna

Rumaja baheula nyarita kakabogohna: "Mihapé sisir jeungminyak, kadé kaancloman leu -ngeun. Mihapé pikir jeung niat,kadé kaasongan deungeun."Rumaja ayeuna nyarita kakabogohna: "Mihapé pita jeungoncom, kadé diteundeun natuur. Mihapé cinta jeung kon-dom, kadé diinjeum ku batur."

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

Teu AdilOgin: "Jalma miskin sok ngala-mun hayang beunghar. Tapijelema beunghar tara ngalamunhayang malarat. Teu adil euy!"Onyon: "Teu adil kumaha?"Ogin: "Jéh...nya heueuh.Kuduna mah mun nu miskinngalamun hayang beungharnya nu beunghar gé kudu ngala-mun hayang miskin. Bakal lak-sana, tukeur posisi jeung uingjalma miskin. Kakara adil."Onyon: "Dasar purah hardolin!"

Féndy Sy. Citrawarga, Bandung

Abong LeutikAki: “Majalah naon éta téh Nini,mani leutik kitu?”Nini: “Pan ieu téh Manglé Alittéa, Aki.”

SalvaJl. Pangaduan Kuda 132

Tasikmalaya

Nurutan Dunia Lain

Ku sabab embung éléh kubangsa manusa, dunya lelem-but gé dina Telepisi Alam Jin(TAJ) nayangkeun acara anudina alam manusa mah sapertiDunia Lain. Para pamilon uji nyali dipentéskudu kuat nahan gogoda timanusa anu tempatna di alun-alun bari dina tengah poééréng-éréngan. Anu kuat nahangogoda hadiahna nyaéta caikopi pait jeung surutu.Malum di alam jin mah teu

barutuheun duit kawas di alammanusa.

SalvaJl. Pangaduan Kuda 132

Tasikmalaya

Boga ÉlmuBudak: “Tuh jelema nu leum -pangna ngageuyeungeung itujago sulap.”Baturna: “Nu bener? Naon su-lapna?”Budak: “Ngompolna bisa nga -luar keun batu.”

Fitri WulansariBandung

KaéraanNyai: “Mun Enéng sok lalajopilem India, pastina ogé nyahosaeutik-eutikeun kana basana.Cing tanya tuh urang India nurék ngaliwat ka dieu!”Enéng: “Héy Tuan Takur, éhTuan Bahadur, Tuan Rahul,néhi... néhi... Mérégéhésé!”Nu ngaliwat: “Nanaonan Néng,maké jeung néhi-néhian sagala?Pan Bapa mah nu dagang kaendi pasar.”

Fitri WulansariBandung

Tong GeruhAdung: “Caritana bapa manéhtéh kaluaran pasantrén, tapinaha geuning awakna bet pinuhku tato?”Baturna: “Tong geruh! Panmasantrénna di Lembaga Pe-masarakatan.”

Fitri WulansariBandung

37Manglé 2470

Page 39: Mangle 2470

Manglé 247038

SSambungan ti kaca 23pipireun tajug, caricangkassilih gitik reujeung cihcir di -sarungsum ngéngkréngbagejid katut tiriling, bang -kong belentuk ngagoongan -ana. Ngungkueuk manukbueuk digebésan koréak barisuar-sier ngontrol kaayaansakalian ngadodoho beuritceplo nu balangah.

Silaru dua ésé talag-tolog sigah towaf nguriling -an bohlam lima watt.Sapuluh purnama kaliwatbasa pancén bébérés ro-hang-rohang kobong sedengbabaturan bur ber nu kakebon nu ka huma, goréhélnimu balati ti jeroeunlipetan kasur di kobongPunta jeung Purwa. Ti ba-landongan Pangersa Abahngageroan.

“Nalika hidep dijurungnyuluran Abah kapadépokan Gagak Rimang diPasir tonggoh, Abah téh teugenah rarasaan, pirasat teuhadé bakal tumiba ka hidep.Horéam-horéam gé nutur -keun ti kajauhan bari susu-lumputan. Waktu aya nunyegat teu ieuh rék ulubiungda ku hidep gé katanagaanngan sawaktu hidep digeroka luhur panggung kakarakAbah téh turun ancrub sabkasalametan hidep jelas-jelas kaancam turta aya dinacongo-congo balati GagakKrancang,” Pangersa Abahngarénghap heula, kusiwelkana pésakna, gulupraknunda gulungan lawonbusik, bréh téh balati sa -jeungkal aya welasna.

“Janten, nu didudukuycetok téh Pangersa Abah,nya?” kuring molohok. Abahunggeuk.

“Tah ngararad ieu tinacangkéng-cangkéngmaranéhna,“ bari nunjukkana tumpukan balati. Ku -ring beuki molohok.

“Naon hubunganana

Pun Punta, Pun Purwa, PunSadibya sareng PadépokanGagak Rimang?”

“Lain ukur reujeungsapadépokan tapi sababa -raha paguron anu kaseun-deuh nafsu angkara ngagugupanyirikan mawa kareppribadi atawa aya ogé anungatasnamakeun paguron.Sirik ka hidep anu pangny-ongcolangna dina sagalawidang, ogé para petétanpadépokan anu aya pikirkadua leutik ka Si Nyimasngan Si Nyimasna teu pu-runeun.

Kadua perkara, ieupadépokan deuk dipetingpamilon unggulan di ha -reupeun pangawulaandayeuhan.”

Kuring unggut-unggut -an, kaharti ayeuna mah. Raska Nyimas Utari, kebek ka-hariwang mucunghul tinasedong haté anu pangjerona.“Punta, Purwa katut Sadibyageus kairut ku buruh nu teusabaraha geusan metakeungawé julig ka hidep diségé-dengeun duriatna ka Si Nyi-mas teu laksana da siNyimasna kéképéhan, em-bungeun,” Abah human-deuar.

“Atuh nu nyaregat abdidi tutugan ka Pasir Tonggohteh, maranéhna?”

Abah ngantelkeun curukkana biwirna bari unggeuklalaunan. Paingan ti haritajug ngaraleungit atuh.Awahing ku lungsé batingarekéh soré tadi, les wéhkapulesan di juru tajug.Lilir-lilir kagareuwahkeunku récétna sasatoan gunung,gesat-gesut ka tampian, léoska punclut .

“Bah, pangapunten! Abdiseja permios,” ngan sakituanu kapokkeun mungguhingkekecapan di jeroeun hatémah pajejel nataku.Saméméhna sempet heula

ngarabutan jujukutan turtamémérés batu karikil, ngela-pan karamikna anu lamé-dong ku kebul. Jungnangtung, “Assalamu’ -alaikum.”

Kojéngkang kana pantobébékan awi, rekét disu-rungkeun. Bréh aya anu nga-janteng, budak ngora sem bada, kasép ngalémpéréngkonéng.

“Kang Brata?” cenahterusna ngagabrug.

“Erlangga ieu teh?”Duaan paungku-ungkungabudalkeun kasono nugeus karahaan. Manéhna téhbungsuna Abah, adina nyi-mas Utari nu keur bolonnaremen ménta dipupunggu,poncongos mah poncongostapi ka kuring mah kacidalindeukna.

“Ti saha Angga terangAkang aya di dieu?”

“Terus rasa wé Kangkatambih Si Tétéh ngajuju-rung ti kamari kénéh longokcenah pajaratan Abah!” Er-langga saterusna nalitnut,sataun saléosna kuring kadayeuh, Abah katarajang pa-nyakit, ujung-ujungna ka-panggih geus ngaléos dinakaayaan sujud di paimbaran.

Teu mangkuk sataun tiharita tétéhna sipatna Nyi-mas Utari aya nu ngawinnyatana ku Kuwu Kutawa -ringin nu sataun ka tukangditinggalkeun maot ku pa-majikanana.

Nya Ki Kuwu pisan anungajeujeuhkeun padepokanmalah ahirna nyérénkeun kaErlangga geusan jadi pu -puhuna.

Aya bagja teu daulat kiKuwu ujug-ujug utah getihtug tepi ka léosna dipundutku Nu Rahayu satutasméréskeun pacéngkadan diBabakan Bulus mangka SiNyimas Utari keur bubu-reuyeungan bulan alaeun,

ana brol si utun geus teunyawaan. Kuring ngaréng-hap jero marengan palidnalelembutan, teu karasa leu -ngeun ngusapan tonggongErlangga nu keur ngalimba.

“Tétéh teu gaduh putraatuh?” ceuk kuring, Erlanggaunggeuk lalaunan.

“Malihan teu kersaeundeui nikah Kang, nanging arika Akang mah soknatanyakeun.”

“Deudeuh, hampura Nyi-mas!” ceuk kereteg haté. Asateu ised nanasiban téhningan, kuring gé diting-galkeun ku pamajikan bariteu ninggalan turunan.Tepungna gé teu ngahajasawaktu dioper dines kaTimur-Tengah, manéhnanamatkeun sakola.

Tariking karunya lan-taran diponés ku doktermoal bubulanan umurnanya dikawin, berekah ayakana taunna tug tepi kaléosna sah ti dunya.

Haneut moyan, anjog kapakarangan ublug-ablag,barasat lalakon baheula,kagambar linduk pamuluPangersa Abah.

“Itu Tétéh nuju sasapuKang,” ceuk Erlangga baringaléos ka balandongantukang. Panon pateuteup,gepluk sapuna murag. Tétélauntuyan taun teu mampuhngarobah wandana anumasih kénéh gamuleng,enya gé karurud ku umur.

“Kaka?”Leungeun ngusiwel kana

karémbong dina saku, ka -rémbong anu baréto katebakangin, nu baréto nyangsangdina dahan jeungjing, nubaréto méh-méhan diiwathiliwir ti lamping. ***

Panglawungan 13Tegalluar Safarkukular 1435H

Page 40: Mangle 2470

DDongéngAkiGuru

Abu Nawas tas kurad-koréd di kebon kormatukangeun imahna.

Jung cengkat, tuluy babatek,kukuliatan.

“alhamdulillah...!” poknangagerendeng. Beuteungnakarasa peurih jeung kuku-rubukan, nandakeun geuskarasa lapar. Gura-giru inya -na balik ka imah. Sup kadapur, muru kana méjamakan. Tuluy mukakeuntudung saji. Nu aya dina méjamakan téh ukur sanguwungkul dina sangku, tayadeungeunna.

“jeung naon Mi deu -ngeunna, dahar téh ?” AbuNawas nanya ka bojo na nukeur jongjong ngagusreknyeuseuh.

“puguhan teu bogananaon, Abu. Da sidik duitjang balanja ogé geus béak!”walon bojona.

Abu Nawas ngahuleng. In-yana mikir, kumaha caranasangkan boga deungeunsangu ?

Ari Abu Nawas téh bo-gaeun dulur, kapi lanceukna,Abu Fatah ngarana téh.Imahna teu pati jauh ti imah -na Abu Nawas, ukur kahalan-gan ku sababaraha imahjeung kebon korma. Mun keurpareng aya pangabutuh ata -wa karerepet, Abu Nawasgeus tara asa-asa deui osokmenta bantuan atawa mentatulung ka kapilan ceukna.

“Ah, mending arék

nguyang deungeun sangu kaimah Abu Fatah. Susugananbogaeun.” Gerentes AbuNawas na jero haténa. Geuskitu kencling manéhna inditka imah Abu Fatah.

“Assalaamu’alaiku-uum.....!” sanggeusna anjogAbu Nawas uluk salam.

“Wa’alaikum salaaam.....!”jawab nu boga imah ti pale-bah dapur. Abu Nawas tuluyasup ka imah langsung muruka dapur. Kasampak téh AbuFatah saanak-bojo keur ngari-ung dina méja makan baripatingharuleng. Dina luhurmeja makan ngajagragbakakak hayam badag anumasih kénéh weuteuh , tacanaya nu ngahanca. Abu Nawasmani kumétap nempona. AriAbu Fatah téh bogaeun budakdua, lalaki hiji awéwé hiji.

“Taaah .... ku kabenerangeuning aya Abu Nawas kadieu! Yap ka dieu Abu !” ceukAbu Fatah bangun atoh naker.“Puguhan kami téh kermenang kabingung, susugan-nan atuh Énté bisa mecahkeu-nana ?” pokna deui.

“Ari kitu, aya naon ?” AbuNawas tumanya bari ngaréré-tan ka saréra.

“Nu matak kami téh keurpareng menang milik ! Meu-nang berekat bakakak hayampaméré ti tatangga. Tapi kukami téh tacan didahar, tacanditoél-toél acan, ku sabab héséngabagi-bagina, da saréréapada-pada hayang ! Cing atuh

sugan ku ¬Énté pang bagi-bagikeun, kumaha caranasangkan adil?” Abu Fatahngajéntrékeun.

Sakedapan Abu Nawasngahuleng, mikir. Teu kungsilila pok nyarita, “ kieu wé atuhayeuna mah, cing ménta pésoeujeung piring lima!” poknaka bojona Abu Fatah. Guru-giru bojon Abu Fatah nyokotpéso jeung piring sakumahanu dipénta ku Abu Nawas.

Abu Nawas natakeun pi -ring dina méja. Nu opat di -teundeun hareupeun AbuFatah, bojona jeung anak-anak na. Ari nu hiji deui di -teundeun hareupeun ma néh na sorangan. Geus kitugap kana péso, tuluy nyokotpiring nu dieusi bakakakhayam. Abu Nawas ngamimi -tian ngarecah bakakak baricacarita.

“Tah ieu huluna bagéanAbu Fatah, bagéan Bapa, ku -sabab ari Bapamah apananKapala Kaluarga!” omong AbuNawas bari motongkeun huluhayam, sok diteundeun dinapiring hareupeun Abu Fatah.

“Nu ieu tulang beuheungma bagéan Umi, bagéan in-dung, kusabab ari indungmah minangka “nyawana”dina rumah tangga!” AbuNawas motongkeun tulangbeuheung, tuluy di teundeundina piring hareupeun bojonaAbu Fatah.

“Ieu cékérna bagéan si Aa,bagéan budak lalaki, kusabab

ari budak lalaki mah engké-engkéna bakal lunta, bakalngumbara jauh ti kolotna !”ceuk Abu Nawas bari neuk-teuk cékér hayam duananadina palebah tuurna, tuluy di-teundeun dina piring hare-upeun budak lalakina AbuFatah.

“Tah nu ieu mah jang-jangna bagéan Si Nyai, budakawéwé. Ari sabab Si Nyai mahbakal boga salaki, bakal ngu-rus Rumah tangga, sarta bakaldibawa ngumbara ku salak-ina!” ceuk Abu Nawas deui,kitu na téh bari motongkeunjangjang hayam duanana, sokditeundeun dina piring ha -reupeun budak awéwé AbuFatah. Ayeuna mah sibakakak hayam téh ukur kariawakna wungkul ngajagjragdina piring.

“Ari éta, awakna bagéansaha ?” Abu Fatah tumanya.

“Nu ieu mah nya bagéankuring, salaku “hakim” nugeus ngabagikeun kalayan adil!” walon Abu Nawas, kitu téhbari ngawadahan awak ha -yam, dipindahkeun kana pi -ring hareupeunana. Tuluy wédibawa balik ka imahna. AbuFatah saanak-bojo bati olohok

“Berekah geuning, timanawé ari milik mah !” gerentesAbu Nawas.***

(Agus B.Irawan)

Cisompét – GarutKidul

Abu NawasNgabagiBakakak

39Manglé 2470

Page 41: Mangle 2470

Manglé 247040

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2470
Page 43: Mangle 2470

Manglé 247042

GGedong Saté

Poe kahareup bangsa Indonesia,salah sahijina ditangtukeun kukasuksesan dilaksanakeunana

Pemilihan Umum (Pemilu) 2014.Saupamana pemilu bisa ngahasilkeunpamimpin anu jujur jeung alus babaktika nagarana, kukituna tangtuna geIndone sia ka hareupna bakal beukirahar ja jeung maju.

Gubernur Jawa Barat AhmadHeryawan nandeskeun oge hal éta dinakagiatan sosialisasi Pemilu di Univer-sitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gu-nung Djati.

"Pohara pentingna kanggo milihpamimpin anu sae. Kumargi kitu, nasibbangsa Indonesia ditangtoskeun kupemilih utamina ti kalangan pemulaatanapi pemilih muda," ceuk AhmadHeryawan.

Perkara ayana sabagian kalangankana praktek pamarentahan jeungpolitik anu nuju kana pemilih henteumake hakna atawa golput (henteumilih), Ahmad Heryawan negeskeunleuwih hade keneh make hak pilih ku -sabab nangtukeun nasib bangsa keurpoe kahareup tibatan teu milih samasakali.

"Pemilu téh mangrupi lawangkanggo urang sadayak kanggo milihputra bangsa dina mingpin Indonesia

ka payunna. Kumargi kitu hayu urangrojong sasarengan kasuksesan pemiluieu, ulah dugi ka golput," pokna.

Ketua KPU Jawa Barat Yayat Hi-dayat negeskeun oge hal nu sarupa.Nurutkeun Yayat, penting pikeunwarga Jawa Barat ngamangpaatkeunhak pilihna kusabab provinsi Jawabarat téh salah sahiji wilayah anu mi-boga pemilih panglobana, nyaeta ku-rang leuwih 32,5 juta hak sora.

"Warga Jabar ulah dugi ka golpot,komo deui kalangan para mahasiswasareng kaum rumaja anu nembeanngangge hak pilihna," ceuk Yayatteges.

Sosialisasi anu jejerna “We areRock the Vote Indonesia - Aku untukIndonesia” ieu digelar gawe barengjeung Direktorat Jenderal KesbangpolKemendagri jeung Fisip UIN Ban-dung. *** (AS)

PT PLN Distribusi Jabar dan Ban-ten ngajamin saliladilaksanakeun ana Pemilu 2014

listrik anu dipake keur kapentinganpalaksanaan pemilu bakal maksimaltur moal pareum. Pikeun ngajagakuali tas listrik, PLN geus rutinngayakeun pamariksaan jeung miarajaringan nepi ka poean pemilu.

General Manager PLN AreaPelayanan Jaringan (APJ )Bandung

Wawan Gunawan netelakeun gang-guan listrik anu ngakibatkeunpareumna aliran listrik lobadibalukarkeun ku gangguantatangkalan atawa sasatoan anungaruksak kabel listrik diluhur.

"Seueur kareksakan jaringan téhbalukar tina potongna regangtangkal,"pokna.

Kukituna PLN ngalaksanakeunROW atawa pemeliharaan dan

pemeriksa an jaringan listrik kabeludara dan penyulang supaya kapiarasalawasna.

Lian ti ngajaga gangguan, patugasPLN oge ngayakeun pamariksaan kabellistrik anu geus heubeul jeungmageuhan deui kabel anu geus kendor.

"Komod eui dina usum hujan,gangguan téh sok aya wae,"poknadeui.

Dina kagiatan ieu PLN nurunkeun2000 personel pikeun mariksa sacarababarengan di daerah-daerah anu ayajaringan kabel sapanjang 1250 kilometer anu ngabentang di Jabar jeungBanten.***(AS)

Ahmad Heryawan;

Hak Sora Nangtukeun Nasib Bangsa

PLN Ngajamin Pasokan Listrik Aman Salila Mangsa Pemilu

Page 44: Mangle 2470

43Manglé 2470

Demokrasi jeung demokratisasi nu keurlumangsung di Indonesia, merlukeunsaniskara perangkat hukum keur alas

jalan prosesna. Salah sahiji alas hukum nustrategis Undang-undang Keterbukaan Infor-masi Publik, nyaeta UU Nomor 14 Tahun2008. Dumasar kana eta undang-undang dise-butkeun yen, salah sahiji badan publik nyaetapartey politik. Ku kituna partey-partey politikge diwajibkeun muka sakabeh informasi nuhak dipikanyaho ku publik.

Sacara filosofis, dumasar eta undang-un-dang, dina dasarna mah sakumna informasinu dipimilik ku badan-badan publik, publik geboga hak mikanyaho ari lain informasi nu kueta undang-undang jeung paraturan perun-dang-ungdangan lianna teu meunang sag-awayah dikanyahokeun ka publik mah. Sacarayuridis, memang undang-undang ieu rekngatur ikhwal prinsip transparansi minangkaprasyarat jeung konsekuensi tina dianut jeungdijalankeunana demokrasi jeung demokrati-sasi dina ngokolakeun nagara jeung bangsa In-donesia pasca runtagna rezim orde baruSoeharto. Sedengkeun tina sisi sosiologis,lahirna undang-undang ieu teh minangkawujud pikeun nohonan dinamika sosial jeungkahayang publik sangkan apal kana cara-carangokolakeun badan-badan publik nu sajatinadiwaragadan ku “dana publik” ngaliwatanpajak jeung retribusi sarta sarupaning “pung-utan” lianna ti publik / rakyat.

Ngan tangtuna palaksanaanana teu gam-pang, kudu aya institusi nu dibere amanahpikeun ngaimplementasikeun undang-undan-gna, nyaeta Komisi Informasi (KI) boh dipusat atawana daerah provinsi, dina derna si-horeng teu samulus implengan para pemikirjeung pegiat demokrasi.

Komisi Informasi nyaeta institusi nudibere amanah pikeun nyieun aturan-aturanpelaksanaan tina undang-undang KIP ku jalanngaliwatan penerbitan saniskara peraturankomisi informasi. Tapi praktikna, kementeriannegara komunikasi jeung informasi ge ngarasaboga wewenang medalkeun peraturan pemer-intah minangka peraturan pelaksanaan tinaUU KIP ieu. Hal ieu tangtu wae ngalahirkeundualisme jeung bibit konflik dina penerbitanregulasi.

Komisi informasi daerah provinsi, nudibere amanah ngjalankeun fungsi mediasijeung ngabeberes sengketa nonlitigasi remenpagedrug jeung aparat penegak hukum didaerah, boh kepolisian atawana kejaksaan.Dina sababaraha kasus mah, reremenna sokpagedrug jeung aparat penegak hukum ke-

polisian, dina ngabeberes sengketa informasipublik nu dianggap sensitif, upamana nu ayapakaitna jeung informasi pangayaan barangjeung jasa, sarta pengelolaan keuangan ne-gara/daerah nu remen sok digugat publikngaliwatan lembaga swadaya masyarakat(LSM) atawa institusi bisnis, nu aya tumalinajeung pelaksanaan APBN/APBD, pangpangnadina pangayaan barang jeung jasa.

Di sejen pihak, nu luput keneh tina perha-tian publik, kaasup LSM-LSM nu museurkeunperhatianana kana keterbukaan informasipublik nyaeta ikhwal keterbukaan informasipublik ku partai-partai politik salaku badanpublik. Padahal ieu kudu jadi perhatian urangsarerea dina taun 2014 salaku taun politik tu-mali j jeung baris lumangsungna dua pemili-han umum, nyaeta pemilu calon anggotalegislatif, nu aya patalina jeung “ngeusian”badan-badan perwakilan rayat di pusat nyaetaDPR jeung DPD RI, sarta badan-badan per-wakilan rayat di daerah nyaeta DPRD Kabu-paten/Kota jeung DPRD Provinsi sa-Indonesia sacara serentak nu bakal lumang-sung tanggal 9 April 2014 . Kitu deui jeungpemilu presiden/wakil presiden nu bakal di-laksanakeun dina bulan Juni atawa Juli 2014.

Publik boga hak apal kana kaayaan partey-partey politik pamilon pemilu legislatif 2014tumali jeung hal-hal saperti kieu, kahiji, ikhwalkinerja jeung tata kelola partey politik sewang-sewangan, boh nu patalina jeung sumberdayajeung sumber dana partey-parey politik meu-nang timana jeung meunang naon, atawanakomposisi kapengurusan partey-partey politiktumali jeung katangtuan kuota tilupuluhpersen komposisi pangurus partey-partey poli-tik kudu ngaakomodir kaum wanoja.

Salila ieu, publik ngan apal kuota tilupuluh persen kaum wanoja teh ngan ukurpikeun pencalegan padahal sajatina, bisa ogekeur kapangurusan partey-partey politik. In-formasi nu kacida strategis kudu dipinyaho kupublik, salaku referensi jeung preferensi dinanangtukeun pilihan kana partai politik dinapemilu legislatif saacan nangtukeun pilhan kajalma atawa calon legislator nu daincokeun kupartai politik peserta pemilu legislatif sewang-sewangan.

Kadua, informasi tumali jeung sumberdana jeung cara ngokolakeunana. Informasiieu penting dipikanyaho publik, bakal leuwihhade deui lamun unggal partey politik mam-puh nyieun laporan keuangan nu geus diauditkantor akuntan publik jeung/atawa diaudit kuBadan Pemeriksa Keuangan (BPK) pikeundana nu sumberna tina APBN/APBD. Ngan

partey-partey politik nu kinerjana hade dinangokolakeun organisasina jeung mampuhnyieun laporan keuangan nu lengkep, cindeknanu nohonan standar laporan keuangan publik,nu bakal boga prospek mampuh ngokolakeunkeuangan negara jeung daerah dina nga-jalankeun pamarentahan nasional atawadaerah ngaliwatan kader-kaderna. Ku jalankieu, saestuna upaya preventif pencegahan ko-rupsi sacara leuwih riil urang baladah tina sun-gapanana nyaeta ti partai-partai politik nukiwari katilikna leuwih loyog dikokolakeun kucara koruptif ku jalan ngawajibkeun sumban-gan-sumbangan ka para kaderna kalayan teubrukbrak/ transparan boh jumlahna atawatatakelolana.

Katilu, informasi nu aya patalina jeungpencalonan para calon legislator, boh ngeu-naan rekam jejakna (track record)atawa jum-lah kakayaan jeung sumberna ti para kaderpartai politikna sewang-sewangan nu bakaljadi calon legislator di badan-badan perwaki-lan rayatna. Ku cara kitu, publik bakal meu-nang informasi nu cukup ngeunaan naonjeung saha-sahana para calon legislator. Kaja-dian ayana gejala “man on the street”, nyaeta“jalma jarah” atawa “orang-orang jalanan” nudiampihan jeung diancokeun jadi calon legis-lator ku partey-partey politik bisa dimini-malkeun.

Publik pamilih dina pemilu ku cara-carakitu bakal meunang informasi nu cukupdina nangtukeun pilihanna boh dina milihpartey politik atawa milih para calonna.Sajati nya lamun seug partey-partaey politiktacan mampuh milampah tilu hal di luhurngeunaan undang-undang keterbukaaninfor masi publik tea, ngandung harti partey-partey politik teh dina dasarna mah bohlangsung atawana teu langsung, keur milam-pah hal nu teu tuhu hukum jeungpemboho ngan publik.

Kurang ti sabulan deui pemilu legislatifbakal lumangsung, lamun boga niat hade,partey-partey politik jeung para kadernaboga waktu keneh keur mere informasi kapublik ikhwal partey-partaey politik jeungpara calon legislator, muka kedok personal(topeng) na sewang-sewangan. Ngan kujalan kitu partey politik katut para calonlegislatif na bakal meunang martabat jeungmilu ngawangun demokrasi nu bermartabat,teu ngan saukur ngajalankeun demokrasiprosedural. Mugia aya keneh celak-celak ca-haya dina tungtung torowongan demokrasiIndonesia nu poek mongkleng buta ratakeneh. ***

Keterbukaan Informasi Publik (KIP) Partéy PolitikKu Diah Fatma Sjoraida

Dosen Prodi Humas FIKOM Unpad &Kandidat Doktor Ilmu Pemerintahan Pascasarjana FISIP Unpad

Page 45: Mangle 2470

Manglé 247044

Aya sabaraha urang wanojaSunda jaman ayeuna anudina yuswa nincak 76 taun

masih kénéh aktip tur séhat dinawidang garapanana? Sulitnéangan ana, salila ieu ngan hiji-hijina wanoja Sunda anu aktipkénéh turta séhat, parigel tur lan-car ngalaksanakeun pancén-pancénna. Pangpangna kiprahnadi dunya pulitik. Nya ieu hiji-hijina

wanoja Sunda di jagat pulitik anuteu acan absén ti dunyana ,jenengan na mashur boh di TatarSunda boh nasional... Ceu Po-pong, lengkepna mah Dra. PopongKurniasih Otje Djundjunan nudilélér gelar Doktor HonorisCausa sasarengan jeung Yusuf Kallaku UPI Bandung taun 2011.

Dina gebragan kampanyeunakamari ieu, di wewengkon Andir

Kota Bandung, Ceu Popong di -riung-riung ku para ibu, bapa bohsepuh boh anom, anu matakkataji téh, para nonoman ogétamplok ngabagéakeun wanojaGolkar anu kacida soméah jeungdaréhdéhna ieu. Biantaranasalawasna diselapan ku hareureuy,nu popiler, diantarana saur Ceupopong téh.

“Ceu Popong mah moalngabagi amplop, da teu boga, CeuPopong mah atuda randa.” ger nuhadir surak...” Ah Ceu Popong....”.

Ceu Popong geus dikantunkeunwapat ku carogéna nyaéta R. OtjeDjundjunan anu kantos kaselirjadi Walikota Bandung 1971- 1976.Harita 11 April 1986 Pa Otje anudibabarkeun 11 April mulih tiCibubuan Buah dua Sumedangnungkulan upacara miélingkajadi an Musibah Cibubuan anungabalukarkeun gugurna MayorAbdurachman, tanggal 11 April.Pasukan Siliwangi anu haritaposna di Cibubuan, Resimen 11April, resimenna Pa Otje Djundju-nan. Kersaning Alloh, almarhumPa Otje anu wewetonna 11 April,mulih miéling tragedi nu karanda -pan ku Resimen 11 April, wapattanggal 11 April 1986. Ceu Poponganu harita anom kénéh pisan,bener-bener pangger nampi cocobianu abot ieu. Carogéna wapat ku-lantaran serangan jantung.

Ti Pa Otje Djundjunan Ceu Po-pong kagungan opat putra, BebebAbdul Kurnia Nugraha, Lita DewiWulantika, Weti Kencana Wulan,Wiby Abdul Kurnia Wibawa. Salahsaurang bésan ceu Popong urangJepang.

Ulah Trauma ku ParpolCeu Popong ngaraos handeueul

nyaksian urang Sunda kiwari bet

Urang SundaUlah Trauma ku Partéy Pulitik

Page 46: Mangle 2470

45Manglé 2470

loba anu Tauma ku partéy pulitik,jadi kurang boga ambisi pulitik. Tinu sakitu lobana Parpol, euweuhsaurang ogé urang Sunda anu jadipamingpin pulitik, saur Ceu Po-pong .

“Urang Sunda ulah trauma kupartéy pulitik. Rék kumaha urangbisa milu ngaheuyeuk dayeuh ngo-lah nagara upama trauma kupartey pulitik. “ saur Ceu Poponganggota DPR-RI Komisi X”. Sababsaurna deui, jaman ayeuna mahbisa ngiprah milu ngaheuyeukdayeuh ngolah nagara téh kuduliwat Parpol minangkakendaraanana. Tetelenjengansora ngan tanpa ngaliwatan heulajalan éta mah, hamo bisa nanaon.Tinggal milih Parpol nu manaayeuna mah anu perjuanganana

pro rayat, ulah anu henteu prorayat.

Saur Ceu Popong; “ Alusnaayeuna mah ulah gogorowokanbaé, tapi kudu bari jeungngaléngkahna”.

Naon Atuh tugas DPR téh?Dipedar ku Ceu Popong hareu -

peun massa Golkar di wewengkonAndir Kota Bandung ogé, Kahijinyieun Undang-undang Dasar,nomer dua, Ngokolakeun duitrayat (APBN), supaya éta duitbalik deui ka rayat. Katilu, Nité-nan pagawéan pamaréntah, eu-

creug atawa henteu ngalaksanakeunprogramna ka rayat. Éta kabéhkudu dilaksanakeun turta kudutanggung jawab gembleng.

Nyabit-nyabit Undang-undanganu pro rayat, nurutkeun Ceu Po-pong, Anu teu pro rayat mah anudaék disogok téa sarua jeung anupro pangusaha. Nu pro rayat mahestuning babaktina keur rayatmoal daék disogok. Nu nyieun Un-dang-undang mah per komisi,jaman Ceu Popong ayeuna aya 11komisi, jeung 560 nggota DPR-RI.Komisi X ngurus widang pen-didikan, pariwisata jeungperpustaka an.

Ikatan Dinas keur CalonDokter

Aya Undang-undang pen-

didikan tinggi, supaya mahasiswauang kuliahna ulah mahal teuing,ulah tepika aya anu teu bisa kuli -ah kusabab euweuh biaya. Keurpendidikan Kedokteran ogé ayeu -na mah aya undang-undangna.Keur mahasiswa anu memangpinter aya Ikatan Dinas. Numatak masing percaya saur CeuPopong, Éta ngaranna duit rayatbalik deui ka rayat.

Ceu Popong anggota Komisi XDPR-RI ti Fraksi Golkar mangsabakti 2009-2014, ayeunanyalonkeun deui keur priodeu2014- 2018.

Lantaran geus asak pangalamanpangpangna mah dina mangsa-mangsa kampanyeu, Ceu Popongmah kalem wé nyanghareupanpésta démokrasi téh. Teu aya bali -ho mébér di saban parapatan, teuaya sepanduk-sepanduk numpuk.Saurna ogé, tibatan duit dimonyah-monyah teu puguh, mendingbeuli keun endog jeung kuéh-kuéhkatut susu keur Balita jeung keuranu milu capé. Susu jeung endogdibagikeun ka murid-murid PAUDjeung Balita. Atuh di buminasaban poé téh ramé baé kununyadiakeun sagala rupa pesenanCeu Popong. Geus puguh deuikeur nyuguhan anu hadir ka tem-pat riungan-riungan saperti diwewengkon Andir, ibu-ibu mahdibagi tiung konéng umyang. Aya

payun ogé anu maké logo DPR-RI.Bener-bener kampanyeu rencepsidem téh.

Sapopoé Ceu Popong ngurus35 organisasi, tilu organisasi lang-sung dipingpin ku ceu Popongnyaéta Pasundan Istri, Balai Per-guruan Putri jeung Forum Pem-bauran Kebangsaan anu anggotanati rupa-rupa bangsa sadunya anungumbara di Bandung. Lian tikitu para pamilon pendidikan Ko-mando Militer ogé, nu daratang timancanagara ngumbara di Ban-dung sapanjang pendidikan, jadianak asuhna.*** (HRS)

Anggota Komisi X DPR-RI ti Fraksi Golkar mangsa bakti 2009-2014

Dra. Popong Kurniasih Otje Djundjunan “Wanoja Sunda di Jagat Pulitik”

Page 47: Mangle 2470

Manglé 247046

Sok sanajan kamekaran éko -nomi di Kota Bandung ka -wilang mesat, tapi masih

kénéh réa padagang leutik nu kududironjatkeun kahirupanana. Alatankitu, pamaréntah boga kawajibansarta wewenang pikeun nang-tayungan padagang leutik, ku caramedalkeun Perda Waralaba. Étahal ditétélakeun ku Ketua PansusWaralaba DPRD Kota Bandungmanten, Troyadi G. Lukas, kaMang lé sawatara waktu nu kaliwat.

Tarékah pikeun ngaraharja -keun tur ngaronjatkeun kahirupanpadagang leutik, ceuk Troyadi, di-

laksanakeun ku cara ngatur sartangabina para padagang. Lian tikitu, ogé ku cara nanjeurkeun atu-ran, nyéta pangusaha nu ngawan-gun Waralaba saperti minimarkét,supermarkét, atawa réstoran moalbisa ngajalankeun usahana lamunteu boga STPW ( Surat Tanda Pen-daptaran Waralaba). Éta hal geusjadi paraturan nu ditetepkeun dinaPerda Waralaba. Saméméh medaléta Perda, pangusaha bisangadegkeun usaha Waralaba ukurku modal boga SIUP (Surat IjinUsaha Perdagangan). Ayeuna mahsalian ti kudu boga SIUP, pangu -saha téh ogé kudu boga STPW.

Dina Perda Waralaba ogé di-unggelkeun ngeunaan katangtuantempat ngadegkeun usaha wara -

laba, di antarana usaha waralabateu menang dadegkeun deukeutwarung leutik. Sedengkeun pikeunngatur sangkan tempat usahawara laba henteu pabaliut di amanabaé mah, diatur ku cara maké sis-tim zonasi. Éta palaturan kudu di-turut ku saban pausahaanwaralaba, sangkan padagang leutikteu leungiteun usaha alatan ayanawaralaba. Hartina pa da gang leutikjeung pausahaan menengah bisasarua hirup tur meunang kauntu -ngan enggoning ngaronjatkeunkahirupan ékonomi di Kota Ban-dung.

“Medalna paraturan sa néskanggo ngawates nu usaha, tapikanggo ngatur supados sabanpihak tiasa hirup di Kota Bandung.

Nanjeurkeun Palaturan WaralabaNangtayungan Padagang Leutik

Troyadi G. Lukas, anggota Komisi B DPRD Kota Bandung

Usaha waralaba teu meunang maéhan usaha padagang leutik (nét)

BBandung-Bandung

Page 48: Mangle 2470

47Manglé 2470

Waralaba téh sanés organisasi, tapiindividu atanapi badan hukum nuboga ciri has usaha, nu tos katingalageung kauntunganana sarenggaduh setandar palayanan atawajasa nu dipasarkeun nganggo sis-tim jaringan, sarta dirojong kuusaha nu manjang sinambungan.Éta hal ngalanta rankeun waralabajanten salah sahiji usaha nu gan-cang pisan mekarna di Kota Ban-dung. Usaha waralaba jlug-jleg disaban tempat, aya nu ngagarapwidang kadaharan, widang atikan,

jasa konsultasi, mini markét,sareng sajabina,” Troyadingajéntré keun.

Ayana aturan nu nertepkeunsaban pausahaan kudu bogaSTPW, tujuanana sangkan babaringadata jeung ngabingbingna, ogémangrupa ihtiar pikeun ngagalipoténsi UKM (Usaha Kecil Mene -ngah ) di Kota bandung. Lian tikitu, ogé pikeun ngajadikeun war-alaba minangka wadah geusanngaronjatkeun bisnis pausahaanUKM.

Pusahaan nu aya di urang,Troyadi ngémbohan, dibagi jadidua rupa, nyaéta pausahaan nu“ber lisensi” jeung pausahaanwara laba. Nu ngabédakeun lisénsijeung waralaba, ngan ukur dinapasua lan ijin pausahaan. Usahawaralaba boga ijin ti pamaréntahpusat, sedengkeun pausahaan“berlisensi” ukur boga ijin tipamarén tah daérah. Éta duapausahaan téh sarua kudu nan -ceub keun invéstasi pikeun meulimérek dagang.

“Pangusaha nu ukur gaduh ijinti pamaréntah daérah bakal sesahngembangkeun usahana ka daérahséjén. Bénten lamun gaduh ijin tipamaréntah puseur, bakal babarimuka cabang di kota séjén,” ceukTroyadi, anu ogé kacatet minangkaanggota Komisi B DPRD Kota Ban-dung ti Fraksi PDIP.

Perda Waralaba téh éstu luyujeung katangtuan PP (PeraturanPemerintah) No. 42 taun 2007ngeunaan Pamaréntah Puseurjeung Pamaréntah Daérah dina halngajalankeun léngkah pikeunnyipta keun usaha waralaba nutartib usaha jeung tartib adminis-trasi, sarta Pausahaan gedé nuboga hak husus bisnis. Pusahaangedé nu geus maju bisa dimang-paatkeun ku pihak séjénna, nyaétaku saperti pausahaan leutik jeungme nengah. Hartina, pausahaangedé bisa méré waralaba kapausaha an leutik jeung pausahaanmenengah, ku cara muka muka ca-bang di tempat séjan. Pangusahaangedé minangka pihak nu méréwara laba, sarta pausahaan leutikjeung menengah jadi pihak nunarima waralaba. Dua pihakananasarua meunang untung.

Dina ngajalankeun usahana,dua pihak kabeungkeut ku aturan,ogé kawajiban antara nu méréjeung nu narima, nu park-prakanana diatur dina MOU antarapausahaan nu narima jeungpausahaan nu méré. Hal sarupakitu bisa jadi cukang lantaran étapausahaan meunang STPW tiPamarén tah Kota Bandung.***

(Cucu/Dédé).

Padagang leutik ditangtayungan ku Perda sangkan usahana teu pareum (nét)

Sangkan ulah pasongléngkrah dimana baé, usaha waralaba diatur ku sistim zonasi (nét)

Page 49: Mangle 2470
Page 50: Mangle 2470
Page 51: Mangle 2470

Manglé 247050

Nepi ka kiwari gemblengnakaindonesiaan nupasaka(solid) tacan kahontal.

Upamana wae, geus nepi ka manasakur daerah ngarasa “ngalebur” jadibangsa Indonesia? Buktina Papuaangger wae geuning nyoarakeun“peluru san sajarah”. Kitu deui kumahasabenerna karep GAM( Gerakan AcehMerdeka) ayeuna? Naha geus rerepemosi kadaerahanana, teu hayangmedal sila deui tina kaindonesiaan?Ulah ieu mah saban pamarentah pusatngalakukeun kasalahan, der ngadathayang misahkeun maneh ti NKRI?Pan nu salah mah pamarentah, nusaban waktu bisa keneh ku urangdiomean kabijakan jeung polahna.Tapiari wadah nagara Indonesiana mahtetep ku urang perlu dirawat babare -ngan supaya hirup lana henteu “pecahberkeping-keping”

Jadi nu penting mah pan karep tisakumna daerah daek henteuna“ngalebur” jadi bangsa Indonesia. Tah,naha nasionalisme saperti kitu geushirup di sakur daerah? Ana kitu ideo -logi kabangsaan perlu tuluy dihirup-

keun di sakuliah nagara urang. Tangtuwae nasionalisme nu eucreug, lainnasionalis me cangkang wungkul nusaukur ngahasilkeun kateuadilan disarwa widang. Lebah dieu perlu contonyata ti kalangan pamingpin.

Ngabasajankeun JumlahParpul

Luyu jeung konstitusi UUD 1945,pamarentahan urang presidensial, lainparlementer. Tapi, ceuk BurhanudinMuhtadi, hal bieu henteu lungsur-langsar kulantaran jumlah parpul reateuing. Tah, nepi ka kiwari henteu jelaskumaha ngarengsekeunana lebahngabasajankeun jumlah parpul teh.Sanajan geus dilarapkeun “ambangbatas” 20% geuning angger wae jumlahpartey sakitu balatakna. Tah, ieu tehkumaha atuh jalan kaluarna? Kunaonhal penting jeung “mendasar” kieu di-antep wae? Ku naon teu aya “pressure”ti masarakat supaya jumlah parpuldibasajankeun luyu jeung pamarenta-han presidensial?

Memang carana teu bisa kawasjaman Orde Baru, geuning harita mahjeger wae ku Presiden Soeharto jumlahparpul dibasajankeun nepi ka ngansaukur tilu partey pulitik, PDI, PPPjeung Golkar. Tapi, sabada Orde Baruruntuh, bet kawas kuda leupas ti gedo-gan, der wae ayeuna jumlah parpulsakitu ngagigidigna. Aya nungusulkeun, atuh ku acara “alamiah”wae cenah, keun antep jumlah parpulsina ngurangan sorangan. Tapi, irahaatuh ieu teh kalaksanakeunana? Nepika iraha jumlah parpul diantepsakarep-karep ngagigidig kawas ayeu -na? Ari memang teu luyu jeung wa -ngun pamarentahan presidensial mah,jumlah parpul kudu geuwat atuhdibasajankeun. Tinggal caranakumaha? Nya lebah dieu perlu aya

“pressure” ti masarakat ka DPR supayaUU Partey Pulitik diroris deui.

Perlu “pressure group” nu kuat.Pamarentah jeung DPR moal robah

mun taya nu ngawarah. Carana nyaperlu aya “kelompok penekan” ( pres-sure group) nu kuat. Geuning ari aya“kelompok penekan” nu kuat mahsaperti ICW jeung nu sejenna, ayeunakorupsi mimiti bisa diberantas. Pang-pangna deuih sabada aya lembaga nukuat saperti KPK. Tah, dina widangsejen na oge, upamana dina pulitikjeung pamarentahan, perlu aya“kelompok penekan” nu kuat sapertikitu. Kelompok bieu perlu tuluy-tulu -yan ngelakkeun sakur UU nu teu euc -reug ka Mahkamah Konstitusi.

PamingpinTangtu wae ulah ngan saukur sis-

tem pulitik jeung pamarentahan nudiomean, tapi kudu dibarengan oge kumunculna pamingpin nu masagi deuih.Tah, lebah dieu perlu tumuwuh pemilunu hade. Ngan nyaeta ari kawas ayeu -na keneh mah bakal hese rahayat milihpamingpin nu hade teh. Kulantaranpaguron luhur jeung media massa ogekurang ngatik masarakat supaya bisakritis. Lain saukur hasil surveywungkul atuh nu diasongkeun kamasarakat teh, tapi pedaran nu kritisoge perlu ditembrakkeun. Cik, unggul -na DJoko Wi, Megawati jeung PDIPteh nepi ka mana.Bener atawapalsu?Bongkar nepi ka bubuk leutikna,ulah saukur dipuji “membabi buta”kitu wae. Kitu deui bongkar pleusmineusna calon pamingpin sejensaperti Prabowo, Mahfud MD jeungnu sejenna. Cik, media massa, pang-pangna media pers nu galede, nyonto -an mikir kritis atuh, ulah asal mujisalasaurang capres kitu wae!

Karno Kartadibrata

Cacag Nangkaeun

BBalé Bandung

Page 52: Mangle 2470

51Manglé 2470

KKatumbiri

Saha nu teu wanoh ka Bang Ali(nénéhan Ali Sadikin) nu ku MelkyGuslow dina laguna disebut-sebut mi-

nangka “Tokoh Pembangunan KotaJakarta”. Sang Jendéral KKO (KorpKoman do) Angkatan Laut kalahiranSumedang 7 Juli 1926 nu gelar ti pasanganSadikin jeung Itjih Karnasih sarta tilar dinatanggal 20 Mei 2008 téh, mémang kaasupputra bangsa nu gedé jasana ka nagarajeung bangsa. Ku kituna, payus lamundilélér gelar Pahlawan Nasional.

Éta hal ditandeskeun dina rumusan“Seminar Nasional Pengusulan Alm. AliSadikin Sebagai pahlawan Nasional” di AulaBarat Gedong Saté Jalan Diponegoro Ban-dung (20/3) alpukahna YMSI (YayasanMasyarakat Sejarawan Indonesia ) CabangJawa Barat, nu dirojong ku Divisi CorsecGrup Humas Bank Jabar Banten kalayan di-jejeran ku Dr. Mumuh Muhsin Z, M.Hum(Dosén Jurusan sejarah FIB-Unpad), Dr.Asvi Warman Adam (LIPI), jeung Dr. AbdulSyukur, M.Hum (Dosen Jurusan SejarahFakultas Ilmu Sosial UNJ), sarta prof. Dr.Nina Lubis minangka moderator.

Eusi rumusan seminar ngusulkeunBang Ali jadi Pahlawan Nasional nukatilukalina téh, di antarana nilik kana

integ ritas jeung katuladanan sarta jasana kabangsa jeung nagara, ku bukti 18 TandaKehor matan ti Pamaréntah RépublikIndoné sia, 10 tanda kahormatan ti nagaraasing, jeung 22 tanda pangajén ti lembaga-lembaga di Indonésia. Ali Sadikin gé soksanajan kungsi “dimatikan secara perdata”ku sikep kritisna demi démokrasi dina Petisi50, tapi éta Jénderal nu teuneung ludeungtéh kaasup jalma nu hadé talajakna, teukungsi meunang sanksi jeung hukuman,sarta satia ka nagara. Bang Ali gé miluberjuang mertahankeun jeung ngeusikamerdékaan sarta ngawujudkeun per -satuan jeung kesatuan bangsa, milungadegkeun Korps Mariner jeung berjuangdi pangkalan IV di Tegal, megatan Walandajeung ngarurug Semarang keur ngarebutYogyakarta. Ali sadikin gé milu numpesPermesta dina operasi Pembebasan IrianBarat, teu kungsi serah bongkokan kamusuhna.

Ali Sadikin éstu ngabdi jeung berjuangdina mangsa hirupna, ti awal perangkemerdéka an, ngaliwatan Korps Marinir,Menteri Perhubungan Laut Kabinet Kerja,Menteri Koordinator Kompartemen Mari -tim/ Menteri Perhubungan Laut KabinetDwikora jeung Kabinet Dwikora nu

disampurna keun, nepi ka ahirna jadiGuber nur DKI Jaya (1966-1977). Sabadamarén jadi gupernur, Bang Ali terusberjuang “mengkritsi” jalanna pamarénta-han ngaliwatan Petisi 50 téa. Tah dinamangsa cepeng kalungguhan gupernurBatawi éta, loba préstasina nu monuméntalsaperti ngabangun Taman Mini IndonesiaIndah (TMII) bareng jeung Ibu Tien Soe-harto, ngadegkeun terminal Lapangan Ban-teng, Grogol, Cililitan, Blok M. Pulo Gadung,jeung réa-réa deui. Bang ali ogé ngaraéhCiputra ngaliwatan Yayasan Jaya raya numantuan ngadegkeun majalah “Tempo”.Dina dunya sastra Ali sadikin gé gedé jasanadina ngadegna “Pustaka Jaya”, ngarojonggenerasi ngora ku program-program atikan,kabudayaan, olahraga, jeung sajabana kujalan ngadegkeun Karang Taruna di unggalkalurahan jeung RW, ogé ngabangunGelanggang Remaja di lima wewengkonkota jeung Balai Rakyat di saban kacamatan.Ngarojong tumuwuhmekarna film nasional,ngabangun pusat perfilman di Kuningan,kaasup sinématék keur dokuméntasi arsipfilm nu pangheulana di Asia, Hongkongjeung Jepang gé harita can bogaeun. Dinaahir jabatanna, Jakarta jadi boga 130gedong bioskop ti 47 bioskop nu ayasaméméhna. Bang ali gé ngawajibkeunbioskop muter film nasional. Institut Kese -nian Jakarta (IKJ) nu awalna LPKJ gé di-adegkeun ku Bang Ali. Kitu deui PalangMerah Remaja (PMR) di SMP jeung SMAditaratas Bang ali pikeun ngaronjatkeunkasadaran kamanusaan di kalangan rumaja.

“Dumasar kana éta bukti-bukti historis,Alm Ali Sadikin bisa dicindekkeun nyumpo-nan kritéria minangka pahlawan nasional.Ku kituna, tos sakedahna pami seug BangAli ku urang diajukeun ka pamaréntah RI,sangkan dilélér gelar Pahlawan Nasional,”ceuk Nina Lubis tandes.

Dina seminar nu diluuhan ku 150 urangteh rawuh para pamilon ti unsur-unsur:TP2GD Jabar, para dosén sajarah, maha-siswa pascasarjana sajarah Unpad, maha-siswa S-1 Sajarah unpad, UPI, jeung UIN,ogé hadir Pupuhu jeung anggota LVRI KotaBandung.***Asép GP

Ali Sadikin Diajukeun Deui jadi Pahlawan Nasional

Seminar Nasional ngeunaan usulan pahlawan nasional keur Ali Sadikin (Asép GP)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Page 53: Mangle 2470
Page 54: Mangle 2470
Page 55: Mangle 2470

Manglé 247054

KKatumbiri

Jumlah kandaraan di Kota Ban-dung nu mangrupa kota métro-politan saban taun terus naék

nepi ka 11 persén. Alatan kitu, pasua -lan macétna patalimarga éstu teu bisadisingkahan deui. Salah sahiji tarékahpikeun ngurangan macétna patali-marga, nyaéta ku cara ngaréaantransportasi massal saperti TMB(Trans Metro Bandung). Kiwari Pa-maréntah Kota Bandung terusmetakeun ketak sangkan TMB bisaleuwih dimaksimalkeun minangkatransportasi massal. Éta halditétélakeun ku. Kepala Dinas Per-hubungan Kota Bandung, E.M.RickyGustiadi A.TD SE.MT, ka Manglésawatara waktu nu kaliwat di kantor -na.

Prak-prakan dijalankeunana TMBdimimitian ti taun 2012 téh nyaéta kungawangun sarana jeung prasarana,kaasup tempat ngiuhan panumpangnu rék naék TMB, nu méakkeunwaragad nepi ka Rp. 1,5 miliar, mi-nangka pasilitas koridor 1 TMB,nyaéta jalur Soekarno Hatta nudimimitian ti bunderan Cibiru nepika Cibeureum. Lian ti kitu, ogéngawangun sélter di koridor 2 taun2013 nu waragadna Rp.2 miliar, sartangoperasikeun TMB koridor 3 jalurCicaheum-Sétrasari.

Pikeun leuwih ngalancarkeun lajupatalimarga, Dinas Perhubungan ogéterus ngalengkepan rarambu patali-marga, sarta ngawangun sélter nujumlahna ngahontal 19 sélter. Dinaprak-prakanana, saperti taun 2014,aya sababaraha sélter nu teu acanréngsé pangwangunana alatan ayasababaraha pasualan, saperti elatnapalaksanaan lélang proyék balukaranggaran elat turun, paktor cuaca kuayana usum ngijih, jeung sajabana .

“Éta pasualan- pasualan téhnistéh éstu teu tiasa tiasa dianggap én-

téng, sok sanajan Dinas PerhunganKota Bandung paratos ngingetan kapausahaan nu ngabangun, supadosgancang ngaréngsékeun padamelan -ana. Lian ti kitu, aya sababaraha sélternu parantos reksak. Di antawisna ayanu kaca jandélan ical, aya ogé nu icaltihangna alatan aya oknummasarakat nu ngahaja maok étabarang-barang pasilitas umum. Tang-tos baé ngaleskeunana ogé meryogi -keun waktos,” pokna.

Pasualan séjénna dina ngalaksana -keun pangwangunan sarana sareungprasarana angkutan masal téh, ceukRicky, di antarana pasualan téhnissaperti nyeléksi pausahaan anukualitas na jeung kamampuhna leuwihalus. Contona dina ngawangun tempatngiuhan panumpang atawa sélter,pausahaan nu nu migawéna kudu bogaSDM pagawé nu kualitas alus tur dariadigawéna.

Pikeun ngamekarkeun angkutanmasal, pamaréntah Kota Bandungmeunang bantuan ti pamaréntahpusat ngaliwatan Direktorat JenderalPerhubungan Darat. Rencanana, jalurTMB di Kota Bandung aya 13 koridor,

jumlah armadana nepi ka 40 beus turdilaksanakeun sacara satahap demisatahap. Éta hal mangrupa tarékahpamaréntah pikeun ningkatkeunpalayanan ka masarakat, bari ngura -ngan macétna patalimarga di KotaBandung.

Ayana TMB éstu gedé mang-paatna ka pikeun masarakat, alatanongkosna murah. Pikeun pelajarjeung mahasiswa Rp. 1.500, sartapikeun masarakat umum Rp.3.000,.Salian ti ngawangun séltér, ogéngajalan keun sistim tikét éléktronikpikeun ngadata jumlah panumpangdi saban sélter jeung tujuanana. Kusistim saperti kitu, ogé bakal kacatet“pergerakan” jeung “percepatan” kan-daraan.

Salian ngabebenah saranajeung prasarana transportasi di KotaBandung, Dinas Perhubungan KotaBandung ogé teu reureuh metakeunihtiar geusan ngaronjatkeun SDMpagawé na. Lian ti kitu, kadisiplinanaparatna dina ngajalankeun tugas ogéterus ditingkatkeun. Tangtu nga -wujud keun éta hal lain perkara anubabari.***Cucu/Dédé

Transportasi Massal di Kota BandungTerus Dibebenah

Page 56: Mangle 2470

55Manglé 2470

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Panyinglar balai4. Nu ngadalikeun delman7. Resep ngucah-ngacéh rusiah8. Bendungan9. Pias11. Pulo Sumatra14. Sato leuweung17. Ambek19. Anu dipuhit22. Tempat anu hésé dipanggihanana24. Logaritma25. Paguron luhur di Lampung26. Boga akal bener jeung mangkat bi-rahi27. Pituduh gaib

KA HANDAP:1. Tuhur2. Akat transportasi3. Ombak gedé4. Gunung di Jawa Timur5. Pangdiukan dina sapéda, kuda6. Istilah dina maén catur10. Pekan Olahraga Nasional12-13. Mandeg mayong15. Jaman16. Intelijén Amérika17. Lintuh

18. Saacan jadi Undang-undang19. Lumrah20. Teu tulus, teu laksana21. Raja leuweung22. Saenggeus23. Mahi ku saeutik

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1435. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1433:

1. Ade FadiKomp. Selaras Alam II/8Bandung

2. Ginanjar (Gin-gin)Jl. Raya Timur 148Jatiwangi - Majaléngka

3. MaulaniJl. Cibiru Hilir RT 03/05 24/135 AKabupatén Bandung

1435K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

TTangara

Waleran TTS 1433

Bagja Anaking

Nu Datang Nambahan Bagja

Nu Lahir Reujeung Rejekina

Bagéa utun, bagéa inji

Allohuma Robbi Habli

Minashsholihin

Pun Anak Parantos Lahir Namina :

NAJWA NISAUL AULIA

di Garut

Nuhun ka nu Tos MarajianNuhun ka nu Ngabagéakeun

sareng Du’ana.

Nu Baragja Manjang Rundayan:

1. Cucu Rahmat (bapa) &Néng Imas Maryani (ibu)

2. Bp. Komar (Akina)3. Kuraesin (Ninina)4. Raka-rai Sadayana

5. Sakumna Ais Pangampih Manglé

Page 57: Mangle 2470

Manglé 247056

LLempa Lempi Lempong

“Ampir kapopohokeun, Lo.”“Naon, Mang?”“Éta tuda keur meujeuhna

ramé ngobrolkeun pemilu.”“Naon téa nu ampir kapopoho -

keun téh?”“Bandung Lautan Api, Lo.”“Har?”“Enya. Kuduna mah kapan ka-

mari-kamari urang ngobrolkeunBandung Lautan Api téh, dina ahirMaret. Ayeuna mah kaburu kali-wat Maretna ogé.”

“Nya teu nanaon kaliwat ogé,Mang.”

“Hih teu puguh atuh, Lo.Kapan éta téh kajadian sajarahanu gadé pangaruhna dinamertahan keun kamerdékaan.”

“Maksud téh lain kaliwat baridipopohokeun, Mang.”

“Ari kitu?”“Baé kaliwat waktuna mah,

urang obrolkeun wé ayeuna.”“Obrolkeun ngeunaan naonna,

Lo?”“Obrolkeun ngeunaan

sumangetna. Sumanget BandungLautan Api.”

“Enya.”“Ogé pangorbanan para

pahlawan ka lemah cai jeung karayat, Mang.”

“Diaplikasikeun kana kaayaanjaman ayeuna nyah, Lo?”

“Yaktos.”“Kana perkara naon?”“Ulah jauh-jauh, Mang, kana

perkara anu ayeuna keur aktualsarta rék disangharepan ku urangsaréréa.”

“Kana perkara pemilu, Lo?”

“Enya.”“Naon nu kudu diaplikasikeun -

ana?”“Sumanget Bandung Lautan

Api téh sing jadi sumanget keururang Bandung hususna, sartaurang Sunda umum, pikeun milihpamingpin Sunda dina pemilu nubener-bener nyaah ka masarakatsarta teuneung ludeung ngabéla KiSunda di péntas lokal jeung nasio -nal.”

“Hih, kumaha kéh lamun ayanu nuding kesukuan?”

“Teu jadi masalah Mang, daurang mah urang Sunda nyarita kaurang Sunda. Médiana médiaSunda nu maké basa Sunda, sartaningali sagala perkara dina kaca-mata Ki Sunda. Lamun euweuhkawani tangtu salawasna urangSunda moal boga pamingpin numakalangan sacara nasional.”

“Satuju.”“Pangorbanan pahlawan Ban-

dung Lautan Api ogé kududiaplikasi keun kana kahirupanayeuna. Pangpangna keur parapamingpin nu engké kapilih, kududaék berkorban ka rayat.”

“Satuju, Lo. Ulah salawasnarayat jadi korban para paming-pin.”

“Hus!”***

Sumanget Bandung