Mitra Sunda WA - Mangle 2436

57

description

Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Transcript of Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Page 1: Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Page 2: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Surupna panon poé dina wanci magrib kamari, jadicicirén réngséna ibadah saum urang salila sabulancampleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sa -

bulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung tarawéh sartaibadah–ibadah Romadon jigana ku urang sadaya geus di-laksanakeun. Ayeuna urang sadaya mulang deui kana fit -rah, kasucian. Poé ieu ogé waktuna urang sadaya sukabungah. Bungah lain lantaran loba dahareun atawa maképakéan sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadayaparantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantarangeus tamat ngalaksanakeun paréntah Alloh nyaéta ibadahsaum Romadon.

Sok sanaos saum dilaksanakeun ku urang ngan sa -bulan nu lamina 29 atawa 30 poé, tapi buah sarengmangpa’at na mah mugi tiasa karaos ku urang sataun,malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Allohswt. ngawajibkeun saum ka jalma – jalma anu arimansangkan salawasna jadi jalma anu takwa. Allohu Akbar,Allohu Akbar, Allohu Akbar Laa Ilaha Ilalloh Allohu Akbar,Allohu Akbar Walillahil Hamdu.

Mitra Manglé Sadaya,‘Idul fitri, nu hartosna baralik deui kana asal kasucian

fitrahna, kantenan deuih kedah ngabersihkeun diri ku carasilih hampura, silih lubarkeun dosa. Numawi kitu, dinawaktos anu mulya ieu, hususna ka para wargi pamaosManglé, umumna mah ka sadaya urang Sunda, sok sanaoslangka pataréma panangan, lantaran mung dina seratanwungkul, Sakumna Ais Pangampih Manglé neda hapuntentina samudaya kalepatan lahir tumekaning batin, Lan-taran, rumaos pisan, sering nepangan téh dina kaayaan ki-rang utami, malihan sakapeung mah tos langkung tilangkung lepatna.

Para Mitra Manglé, bari hatur wilujeng Boboran Siam1434 H, sanés kupat sareng opor hayam, namung étang-étang kanggo nambihan ma’murna lebaran sarengngawedelan kayakinan, mangga dina édisi MangléLebaran, kasanggakeun aosan Hutbah ‘Idul Fitri kéngingDr. H. Isep Zaenal Arifin, M.Ag., Dosen Fakultas DakwahUIN SGD Bandung. Mudah-mudahan ageung mangpaat -na. ***

Takbir, Tahmid, Tahlil

Saruka Bungah, Marulang Deui Kana Fitrah

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Page 4: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Zakat

Hiji urusan anu sok dipen -tingkeun dina mangsanalebaran téh zakat, boh zakat

mal boh zakat panghasilan. Geuspuguheun ari zakat fitrah mah.

Zakat téh kaasup salasahiji uru-san penting pikeun umat Islam lan-taran kaasup kana rukun iman anulima. Dina apal-apalan sapopoéayana dina nomer tilu. Malahumumna sapamadegan yén zakattéh sakantét jeung salat. Aya ayat-ayat Alquran anu nétélakeun ngan-tétna kecap salat jeung zakat.

Papadaning kitu, béda jeungsalat anu geus jalan dina kahirupansapopoé, zakat mah aya bédana.Lantaran patalina jeung rajakayaatawa panghasilan, zakat mah itung-itunganana henteu gampang lan-taran kudu puguh nisabna, kaasupwaktuna.

Dina basa anu populér zakat téhdikurupkeunana kana meresihanharta. Harta anu kapimilik ku urangperlu dikaluarkeun zakatna supayaberesih. Nu dimaksud beresih didinya patalina jeung kamaslahatanjeung barokah. Atuh ka dituna apannyambung jadi amal-amalan anuganjaranana bisa disampeur engkédi ahérat. Cindekna zakat téh lainperkara joré-joré. Éta sababna anumatak aya pirang-pirang lembagaanu ngahususkeun ngurus zakat. Disagigireun anu dikokolakeun kupamarén tah (kayaning BAZIS) ayaogé anu diurus ku swasta.

Lain ngan ukur kaahératan baéanu bakal kahontal ku zakat téh,dina urusan kamasarakatan gémangpaatna teu kurang-kurang.

Anu saderhanana baé, zakat bisa di-paké cukang lantaran pikeunngaronjatkeun kahirupan umat anuwalurat. Tapi lebah dieu gé anubabari téh nyaritana, da dina praknamah banggana luar biasa.

Nurutkeun katerangan tisalasahiji lembaga anu ngahusukeunkana ngurus zakat, cenah zakat anukatarima ku lembagana téh rata-rataRp 170 milyar per taun. Tétéla lainleutik-leutik. Komo deui anukatarima ku BAZIS anu sipatnanasio nal. Mangkaning éta téhmayeng unggal taun. Jadi pantesna,umat Islam di urang téh geus sare-nang hirupna.

Puguh di dinya pisan masalahutamana téh. Asa tacan aya lembagazakat, boh BAZIS boh anu parti -kulirna, anu unggal taun bisamayeng ngabéwarakeun yén di désaanu, nu tadina warga nu miskinnaaya saanu taun ieu mah geus ngura -ngan saparona. Tina hasil zakat téaalhamdulillah anu taun tukangmasih kénéh narima zakat téh taunieu mah geus bisa mayar zakat.

Éta téh cita-cita idéal saréréa.Hayangna mah kitu. Kahayangnamah, ulah aya saurang gé umatIslam anu baramaén. Ulah aya hijigé kaom muslimin anu hirupnangaligeuh teu boga panghasilan.

Cenah dina ngokolakeunanazakat anu di urang masih kénéhtacan optimal téh. Ari dikeureuyeuhmah éta gé da terus-terusan. Éra gékadieunakeun mah geus ayakamajuan ana. Upamana baé zakatanu dimangpaatkeun pikeun mérébéasiswa ka siswa-siswa anu palinter

tapi ékonomina teu mampuh. Nu di-pakéna kitu mah tangtu bakal man-jang mangpaatna. Ka hareup mahmeureun moal aya deui anu waninuding pajar kaom muslimin téhloba kéneh anu bodona nepi kasalawasana tinggaleun jaman. Lainhartina kudu saturut-turutna tang-tuna gé. Apan naon-naon anu di-taratas ku para ajengan di urang téhnya ka dinya losna. Nepakeun élmusupaya ulah dipinteran batur.

Kitu deui dina urusan ékonomi.Lamun disebutkeun pajar urangGarut téh kaasup anu pangmiskinnadi Jawa Barat, apan éta téh togmolnaka kaom muslimin deui. Tangtunahenteu ngan semet kitu dibacana, dalamun diantep ka dituna bakalleuwih gedé mamalana.

Leuwih jauhna ti dinya asapantes pisan lamun tina ayana zakattéa kaom muslimin di urang bakaljugala dina urusan ékonomina. Nga-mangpaatkeun zakat pikeun usahaupamana apan bakal jauh bédanajeung lamun modalna kudu dirénte-nan.

Ceuk ustad, moal samata-matadiwajibkeun mayar zakat téh lamunhenteu gedé mangpaatna. Beukidieu beuki katémbong kaihlasanpikeun mayar zakat geus beuki kuat.Éra téh hiji kapercayaan. Tapi ka di-tuna tangtu bakal jadi amanat,babakuna dina urusan ngokolakeun -ana. Meungpeung anu malayar za-katna masih kénéh neundeunkapercayaan. Da cacak lamunkapercayaan ana geus luntur mah,pisakumahaeun teuing pikanyerieu -n ana. AM

Manglé 2436 3

Page 5: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

4 Manglé 2436

Page 6: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 5

Page 7: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Reueus kabina-bina! Kagiatankaagama an dina bulan puasa mahceuyah naker. Dawah gé kitu, boh

bil lisan, boh da’wah bil mal, nyampaksaban waktu jeung tempat. Geus puguh ariunggal tivi mah, dalah di tempat séjén géteu kurang-kurang. “Saé kacida upamininggang dina sasih Romadon mah. Nganhanjakal, pami réngsé sasih Romadon,pangpangna di kota, sok cul dogdog tinggaligel. Ieu rupina peryogi perhatosan sabanpihak sangkan sumanget da’wah téh hen-teu saharitaeun,” cek Prof. Dr. H. AsepMuhyiddin, M.Ag. waktu ngobrol rinéhdikantorna di kampus UIN SGD Bandung.

Kagiatan da’wah mémang teu weléhjadi panalinga jeung kabutuh masarakat.Lantaran, da’wah téh teu béda jeung tugassapopoé saban manusa atawa pamingpindina saban tempat jeung posisi. “Unggaldinten saleresna urang da’wah, unggalpaming pin, pamaréntah, sadayana da’wah,nepikeun kahadéan, geusan ningkatkeunkaraharjaan nu leuwih mangpaat. Ngancarana nu béda,” cek ieu Profesor nusababaraha taun mancén di Majlis FatwaMUI Jawa Barat téh.

Ku kituna, ambahan da’wah mah legakacida. Ngan, tangtu wé ngalaksanakeunda’wah téh, cenah, kudu adu manis dinaopat wangun kagiatan. Tah, naon téa?Kahiji, ceuk Prof. Asep, kagiatan tablég.Kadua, kagiatan irsyad, saperti panyulu hanjeung bimbingan Islam. Katilu, tadbir,saperti manajemen sarta ngadegkeunsarana lembaga-lembaga da’wah. Kaopat,kagiatan tathwir, nu leuwih neueul kanawidang ékonomi kaumatan. “Lantaranranggeuman da’wah mah kacida legana,teu cekap ku kagiatan tablég wungkul. Kukituna, peran pamaréntah penting pisan,utami na dina nangtoskeun ‘pemetaan’wilayah da’wah sareng obyék da’wahsanésna,” cek ieu doktor wedalanIAIN Syarif HidayatullahJakarta teh témbrés naker.

Nilik pentingnada’wah, hartina, étakagiatan téh perlu

pangrojong balaréa. Ku kituna, pamarén-tah perlu ngabebenah deui pola jeungnangtukeun wilayah da’wahna. “Kalebetnagtoskeun kagiatan da’wah di jajaranstruktural pamaréntah, supados leres-leresda’wah janten pangabutuh unggal waktu,”cek ieu carogé Dra. Hj. Akah Kahmaeni,M.Ag. téh.

Tablég Lain HiburanBentuk tablég dina kamekaran da’wah

mémang leuwih penting. Lantaran, cek ieuGuru Besar UIN SGD ogé, geus jadipangabutuh balaréa nu leuwih pragmatis.Ku kituna, para mubalég ogé sok jaditinim bangan boh soal élmu na, tempatdiajar na, dedegan ana, ogé nu pentingsabaraha keur ongkosna. “Saleresna wajar,upami masarakat milih-milih mubalég.Ngan lepat upami urusan ongkos jantenukuran pilihan umat. Ieu rupina nu kedahdirobah deui. Lantaran da’wah mah geusjadi kawaji ban,“ cek Prof. Asep tandes.

Tablég mémang rupa-rupa deuih. Kitutéh, lantaran unggal mubalég ogé ngahaja

némbongkeun ciri mandiri nu béda ti nuséjénna. Petana kitu, di antarana sangkanngirut balaréa. Ngan, naha nu kawas kitutéh penting? Cek ieu Dekan Da’wah jeungKomunikasi UIN SGD mah, nu hayangda’wah teu kabéh bisa disebut mubalég.“Sarat mubalég mah, saleresna abot kacida.Lian ti nu tafaqquh fiddin, nu paham kanaagama, mampuh nepikeun ana, ogé nu saéahlakna, leres-leres jadi picontoeun,”pokna. Ku kitu na, cék cenah, palebahmubalég, mémang aya nu pikareueuseunaya ogé nu pikahariwangeun. Nu matakreueus, tangtu nu paham kana agama. Arinu paham agama, tangtu loba élmu agamanu ditepikanana. Sabalikna, nu matak hari-wang mah, maksud dawahna éléh kuhiburan ana, éléh ku bobodoranana, lirparibasa cul dogdog tinggal igel! Pangaruh -na atawa élmuna mah teu nye rep, kawas caidina daun taleus, teu mampuh dijadikeuntatapakan bekel hirup mustami na. “Rupinaistilah mubalég téh kiyai, tiasa dijantenkeundadasar deui, yén mubalég kedah saéahlakna ogé luhung élmuna,” pokna.

Nu paham agama, tangtu loba. Ngandeui-deui dina da’wah mah kudu mampuhnepikeun ku cara nu hadé. Tah, palebahsaha nu nepikeun jeung kudu ka mananepikeunana? Cek ieu paniten da’wah, mé-mang perlu dihangkeutkeun deui tur perlukawijakan pamaréntah. Contona waé,kumaha carana sangkan mubalég nukawéntar tur paham agama, tiasa da’wahka saban daérah. Ieu penting, lantaran ki-wari mah di daérah ogé geus karasa panga -ruh globalisasi téh. Atuh da’wah téh perlumubalég nu bisa ngigelanana.

“Patarosanana, naha para mubalégkondang, wantun dibayar haratis

ka daérah nu rawan akidah?Rupina, di dieu pent-ingna peran pama -réntah ngalangku ngan

Departemen Agama.Sanaos éta ogé aya

patugas Peneran-gan Agama

Islam, tapi

Dina bulan Romadon, kagiatan da’wah téh pikareueuseun. Ngan hanjakalna, réngsé Romadon mah, kagiatankitu, lir paribasa, cul dogdog tinggel igel. Naon sababna pangna kitu? Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.,

Dekan Fakultas Dakwah & Komunikasi UIN SGD Bandung, nepikeun pamanggihna.***

Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.;

Kagiatan Da’wahAntara Ngigelan Jaman jeung Tinggal Igel

6 Manglé 2436

Page 8: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

tarékah da’wah modél kitu saé kacida,”saur Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.daria pisan.

Upama ieu Profesor apal pisan kanakamekaran da’wah, da mémang icikibung -na gé dina widang da’wah. Saban waktu,boh dina seminar boh dina diskusi,nalungtik da’wah nu leuwih ngindung kawaktu mibapa ka jaman. Sapertina waé, ieualumnus pasan trén Cintawana Tasik-malaya, teu weléh niténan da’wah dipakota an jeung di padésaan.

Kamekaran Da’wah SundaNepikeun agama tangtu kudu apal ka

mustamina, ka jalmi nu rék ditepikanana.Carana ogé, lian ti menting keunkamaslaha tan keur tempat sabudeure-unana, ogé sangkan nambah élmu panga -weruhna. Kumaha ari da’wah di JawaBarat? Pangpangna dina bentuk tablégmah, cek ieu teureuh Garut, kamekaranda’wah ulah jauh tina kultur budayana.Sapertina waé, dina cara nepikeunana,tangtu basa Sunda, tiasa dihangkeutkeunjadi basa da’wah. “Kantenan di tatar Sundamah, kedah ku basa Sunda. Sanaos, upamitéa mah masarakatna campur, urangSunda ogé kedah nampi nganggo basaIndo nésia. Namung intina kedah nganggobasa Sunda,” cek Prof. Asep jinek.

Kamekaran da’wah Sunda mémang ki-wari lain bihari. Bihari mah, geus biasapara ajengan di saban pasantrén jeungsaban tempat, ngaji téh atawa ngawuruk kasantrina téh ku basa Sunda. Kitu deui, lobapasantrén nu ogé nyunda-nyundakeunkitab konéng. Hutbah Sunda, pupujian kubasa Sunda, solawatan ku basa Sundajeung sajabana. Kumaha kiwari? Cek Prof.Asep mémang da’wah dina basa Sundaperlu kasadaran masarakatna. Sok sanajan,éta ogé loba kénéh para mubalig nu biasanyelapkeun basa Sunda. “Perkawis tablégku basa Sunda, kantenan penting kanggourang mah. Ka para mubalég ulah ngaraosisin, kitu deui ka pamaréntah kedahlangkung nyontoan,” pokna deui.

Mekarkeun da’wah Sunda, mémangperlu pangrojong ti pamaréntah. Hartina

cek Prof. Asep, reueusna masalah basaSunda, henteu dina da’wah baé tapi ogédina nepikeun pasua lan séjénna. Contona,dina biantara boboran siam ka sabanmasjid ti bupati di Jawa Barat, kedahnamaké basa daérahna. “Sapertos keur urangGarut, Tasik, Ciamis, Sumedang jeungsajabi na, kantenan biantara bupati saénanganggo basa Sunda. Sapertos di daérahJawa, apan teu weléh sok ditepikeun dinabasa Jawa,” cek ieu guru besar Islam mérésumanget.

Adumanis Sakola jeung Pasan -trén

Asep Muhyiddin lahir di Garut, 07 Juni1957. Ieu putra H. Muhmudin sareng Hj.Siti Aminah, ti leuleutik di asuh dilingku -ngan agama. Indung tunggul rahayu bapacatang darajat, keur Asep mémang karasapisan. Teu weléh sepuhna mapatahansangkan Asep pengkuh agamana ogéluhung pangabisana, nu ahirna kudujunun. Ku kituna, waktu Asep sakola diSDN Pasirwaru Limbangan ogé, sepuhnamah teu weléh nalingakeun, pangpangnadina sual ngaji agama. Panga ping kitu,ngabuahkeun hasil. Asep gé, sakola satu-luyna ditarima di PGA 4 taun bari nyiarélmu agama di pondok pasantren PulosariLimbangan Garut. “Pun Bapa kalintangdisiplin sareng teu weléh masihan papatahnu saé,” cek ieu bapa Fila Hikmaturraah-man, Syafwan Nugraha sareng Putri Nab-hani N. ni neung ka mangsa keur budak.

Asep beuki déwasa beuki buleud cita-cita. Lantaran meunang élmu adumanissakola jeung pasantren, atuh nuluy keun géka SP IAIN Ciwaringin Cirebon, nu teu lilaogé pindah ka Fakultas Tarbiyah PaguronIslam di Cipasung Tasikmalaya taun 1976.Keur Asep di Cipasung cocog pisan, lan-taran bisa bari masantrén di pasantrenCintawana Tasikmalaya.

Nyiar élmu nu béda tempat keur Asepmawa sumanget jeung karasa nambahélmu pangaweruhna. Ku kitu na, waktukuli ah, taun 1981, Asep ogé pernah kuliahdi Fakultas Ushuluddin Riyadhul AlfiyahSadang Garut milih Program Sarjana Muda.

Geus réngsé di Garut, ahirna Asep pindah kaBandung, ngajar di Pondok Pasan tren Al-Jawami Bandung. Ahirna di Bandung, Asepngaréngsékeun sarjana lengkepna ti Juru -san Dakwah Fakultas Ushu luddin IAINBandung Tahun taun 1983.

Di IAIN SGD Bandung (ayeuna mahUIN), singhoréng jadi tempat keurneruskeun karirna. Kaayaan kitu, H. AsepMuhyiddin ogé sadar tur teu weléh mujisukur ka Gusti Alloh Swt. Lantaran, satutasdi Bandung beuki nambah élmu panga -weruh, beuki loba kawawuh, beuki lobalolong krang keur ngamalkeun élmu panga -weruhna. Ngan nya kitu, sual élmu panga -weruh mah, keur Asep, beuki nambah téh,singhoréng asa beuki ngurangan. Ku kitu -na, saterusna mah miang ka Batawi, kuliahdeui ka Program Magister (S2) Pasca -sarjana IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta,réngsé taun 1995. Atuh Prog ram Doktor(S3) masih di Pascasarjana IAIN SyarifHidaya tullah Jakarta.

Makalangan di dunya kampus, Asep géteu ujug-ujug. Ti mimiti nyaking paga wéadministrasi, ngadosénan, ogé pernahnyangking Sekertaris Jurusan Tafsir HaditsFakultas Ushuluddin, nyangking SekertarisJurusan Aqidah Filsafat Ushuluddin, Pem-bantu Dekan III Fakultas Dakwah. Panga -laman kitu, ahirna Prof. Asep dipercayamancén Dekan Fakultas Dakwah & Komu-nikasi UIN SGD Bandung nepi ka kiwari.

Nyangking di kampus, dian sual élmumah, kudu karasa mangpaatna keurbalaréa. Ku kituna, Prof. Dr. H. AsepMuhyiddin, M.Ag. nu kiwari nganjrek diCibiru Hilir Cileunyi téh, ogé loba aktif disababaraha organisasi kaagamaan, sapertidi MUI Jabar jeung nepikeun pamanggih -na dina saban seminar, boh lokal bohnasio nal.

Sanajan sibuk ku kagiatan, tapi ieupitu in Sunda teu weléh tibelat ka lembur diLimbangan Garut. “Kantenan, émut baé kalembur mah. Ku kituna, saban boboransiam, teu weléh tibelat. Nineung sarenghoyong pisan nepa ngan wargi-wargi dilembur,” pokna nutup obrolan. *** (RH)

Manglé 2436 7

Kagiatan dawah butuh pangbebenah pamaréntah

Sareng garwanaDa’wah kudu ngindung ka waktumibapa ka jaman

Page 9: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436

Mun nyaritakeun mudik, ku -ring mah sok jadi ras ka ba-baturan. Enya, éta mah ki

sobat, saban rék nyanghareupanlebaran téh sok asa paciweuh pisan. Timéméh tanggal lilikuran puasa gé,manéhna geus tatahar pikeun mulangka lemburna. Beberengkes sagaladibawa, anu cenah keur oléh-oléh kaurang lembur. Salila ngumbara dikota anu geus aya welasna taun,manéhna tacan kungsi sakali wé teumudik. Kajeun teuing keur teu patiséhat, atawa ukur boga bekel pas-pasan, pasti wé maksakeun mulang.Malah mudikna téh sok rada tianggalna kénéh, bélaan bolos digawé.Kadang-kadang pisaminggueun deuika lebaran gé geus mulang.

“Sataun sakali mah kudu maksa -keun,” pokna.

Kungsi basa taun tukang mahmanéhna nanya bari dibarungheureuy, “Naon sasaruaan jeungbéda na, antara peristiwa mudik jeungpenggusuran?”

Teu ieuh dijawab, da geus kajudiatuh, éta mah pertanyaan konyol. Mé-mang enya kontékstual, tapi geus teukaasup heureuy atuh ngabanding -keun maranéhna anu mudik jeunganu digusur mah. Jelas, substansinagé béda pisan.

“Yeuh, déngékeun geura,” pokna,sanggeus kuring teu ngabijilan omo -ngan. “Saruana téh lebah inditna.Heueuh, indit ti hiji tempat, ngajugjugka tempat séjén. Sarua ngabringna gédeuih. Boh dina mudik boh dinapenggusuran, sarua aya prosés indit,”pokna bari terus ngarandeg.

Lantaran omonganana teudituluy keun, kuring jadi panasaran.

Anu matak gancang dipokkeun, “Aribédana lebah mana?”

“Bédana téh, ari anu mudik sokbaralik deui. Enya, apan ari geus béaklebaran mah, tara terus cicing di lem-bur, da sok baralik deui ka kota,malah mindeng bari mawa duluratawa baraya. Geus bisa dipastikeun,lamun tas usum mudik, dina geusbaralikna deui téh, pangeusi kota jadinambahan. Tah, ari maranéhna anudigusur mah, tara baralik deui ka tem-pat tadina matuh. Heueuh, rék bisabalik kumaha, apan lahanna ogé geussalin jinis jadi mall, pusat hiburan,atawa proyék pangwangunan séjénnaanu didukung ku modal raksasa.”

Kuring unggut-unggutan. Geu -ning ka dinya brasna si kunyang téh!Bréh kagambar dina pikiran, kumahalumangsungna suasana penggusuran.Mindeng pisan rayat anu mertahan -keun lahan katut pamatuhananakudu adu hareupan jeung patugashukum, anu sakapeung sok timbulriributan.

“Najan mudik jeung penggusurantéh jauh bédana, tapi aya hiji aksiomaanu sarua. Boh anu ramé-ramé mudikboh anu digusur, pasti sarua pada-pada rayat leutik.”

“Wah, cék saha? Anu sok mudikmah lain rayat leutik wungkul, dapara gegedén jeung jalma baleungharanu ngumbara di kota gé sarua waé,”omong kuring.

“Heueuh, maksud uing mah anumudikna téh ngaliwatan heula prosésperjuangan. Kudu daék ngalelentuk dihareupeun lokét karéta api atawabeus antar kota, kudu daék pajejeldina kandaraan umum, kudungawayahna keun manéh mun katipu

ku calo atawa ditekuk harga kukondéktur, kudu daék ..., wah, pokonamah beurat perjuangan mun hayangmudik téh. Kitu apan anu kaalamanku rayat leutik mah dina prosésmudik téh. Malah teu kurang-kurang,anu di perjalanan meunang musibatgé; naha tabrakan atawa mobilna nga-galéong ka jungkrang. Pék ku éntéinget-inget, naha kungsi aya bupati,anggota parlemén, dirjén atawamenteri anu pasesedek milu ngantaykarcis karéta api, atawa sapeupeutingngalelentuk di terminal beus? Manakomo persidén atawa wakilna mah.”

“Nya moal atuh, kuya! Apanaranjeun na mah kagungan kendaraanpribadi. Atawa mun mudikna hayangtéréh tepi, nya kari ngagunakeun pe-sawat udara wé, malah sok dicarter,”walon kuring. “Mun teu kitu, dikawalku purider anu maké héong-héong.”

“Heueuh. Anu matak, hakékat tinadinamika mudik mah ayana ukur dilingkungan rayat leutik. Angka -ribungna babawaan, kurdas-karduswadah oléh-oléh, luut-léétna késang,jeung budak léwéh mah ngan aya dinamudikna rayat leutik pantar urang-urang.”

Kuring ngaheueuhan omongan -ana. Bréh kagambar suasana mudikdi terminal, di setatsion, atawa di pal-abuan anu sok dipidangkeun mang -rupa laporan pandangan mata dinamédia massa. Enya, kabéh ogé éta téhbagian tina potrét kahirupan rayat.

Mudik geus dianggap hiji peris-tiwa sakral. Najan sakumaha jauhnangumbara, ari dina rék nincak lebaranmah kudu waé maksakeun mulang kasarakan. Éta pangna anu mudik mahtara ngabalitungkeun héséna meu-

8

MudikKu: Tatang Sumarsono

Page 10: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 9

nang kendaraan bari ongkosnangadadak jadi mahal, atawa macétnalalu lintas salila di perjalanan. Anupenting: bisa nyelang heula balik kalembur, kumpul jeung kolot katutdulur-baraya, jeung bisa nyekar kakuburan karuhun.

Kaalaman ku kuring sorangansuasana kawas kitu téh, najan rumasawaé tara unggal taun bisa mudik.Dina keur teu bisana mulang, kuringsok gancang tawakup ka kolot jeungka dulur-dulur.

“Mudik téh jadi hiji kabagjaanpikeun rayat leutik pantar urangmah,” pokna.

Omongan manéhna, ku kuring di-heueuhan.

“Urang anu salawasna hirup dikota, néangan sumber kahirupan dikota, jeung tangtu waé mindengngabeungbeuratan kota, ari dina poélebaran mah kudu maksakeun mu-lang heula ka lembur. Atuh sakurang-kurangna pikeun mulangkeunpanineungan ka jaman urang keurbudak. Sukur-sukur mun di lemburbisa kénéh nyeuseup hawa seger

kahirupan. Mun dipapandékeun kanabatré mah, itung-itung disetrum deui,sanggeus urang kabuntang-bantingdina galura kota,” pokna.

Ti harita, pleng lila teu panggih-panggih. Ari kitu téa mah bubuhansarua pada-pada riweuh ku urusanpagawéan. Anu matak, hésé néanganlolongkrangna mun rék silih anjangantéh.

Teu kahaja, ari gok téh tepung dijalan pasampangan; jigana mahmanéhna keur ngajak anaknangabuburit. Rada héran kuring téh,duméh puasa geus nincak tanggalgenep likur, tapi manéhna tacanmudik. Kuring onamanan sok milihpidua-poéeun deui ka lebaran, dalembur pangbalikan téh teu pati jauh.

“Har, naha geuning tacan mudik?”kuring nanya, duméh manéhna masihkalana-kulunu kénéh di kota.

“Moal, euy,” témbalna pondok.“Naha? Apan cék énté mudik téh

bagian tina kabagjaan rayat leutikpantar urang-urang, apan mudik téhsakral, apan dina saban taun gé teumeunang diliwat, apan ....”

“Heueuh, ari lebah dinyana mahuing gé moal robah pamadegan,”pokna, megat kalimah.

“Naha atuh lain geura-geuramudik? Apan ayeuna geus tanggalgenep likur.”

“Uing mah moal bisa mudik ...,”ngarandeg heula, “masing tepi kairaha waé ogé.”

“Naha? Ku naon?”“Apan lembur uing mah geus eu-

weuh, geus béak ku musibah alam.Kolot duanana maot, dulur gé nyakitu kénéh,” témbalna alon.

Kuring ngan ukur bisa lila nga -huleng.

“Énté iraha rék mudik?” manéhnananya.

“Insya Alloh, pagéto,” témbal téh.“Salamna wé nya ka anu araya di

lembur. Uing mah rék lebaran di kotawaé.”

Kuring ukur némbalan kuunggeuk.***

(Nu nulis Staf Khusus BidangBuda ya Rektor Universitas Pasun-dan)

Page 11: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

10 Manglé 2436

Bagian

167

Peuting ka-181

Syahrazadneruskeundongéngna.

Nyarita keun lalakonDahnasy nu tas sasabaanka nagri manusa.

“Nembe téh tas tinagri nu kacida legana,”ceuk ieu jin lalakina téhmuka carita.

Di lebah nagri nukacida legana, ceuk Dah-nasyi, dirina turun kabumi. Terus leuleumpa -ngan ngadédéngekeuncaritaan urang lembur.Apal wéh, horéng éta téhkarajaan nu dipingpin kujelema nu teu dipikare-sep rahayatna. Karajaan -ana mah beungharkacida, malah raja téhboga istna nepi ka tujuh.

Nu jadi kembangcarita éta nagri, lainkabeungharanana. Tapi,putri raja nu sohorkageulisanana. Katelah -

na Putri Budur. Kugeulis-geulisna, Dah-nasyi gé teu bisangagambarkeunkaéndahan ana ku carita.Nu tétéla, nu teu weléhnyangkaruk dinaingetan ana, buukna nuhideng meles tur gom-plok, kulit beungeutnabodas beresih semu-semu beureum.

Panonna boborélakanlir mutiara. Gular-gilernahihideung panon lirborélakna inten nu ka-tojo panon poé.Cindékna, nilik kanarurupaan ana, teu matakbosen ningali, malahmatak moho anu nénjo.

Sorana halimpu.Matak genah kadéngéna.Mun cacaritana antarekalayan netes, tétélamaksudna. Kitu téh, ceukDahnasy gambaran étaputri mémang pinuh kupangarti.

Saterusna, ieu jin téh

bruk-brak. Cenah, gam-baran kaéndahan jeungkageulisan éta putri téhéstu nenggang tisasamana, malah asupkana susah keur nga-banding-bandingna. Da,mémang, éta putri téhhésé digamabarkeunanaku kekecapan.

Peuting ka-182

“Ari pangna rahayatteu resepeun kanaparipolah rajana,kumaha?” ceuk Maimu-nah semu panasaran.

Dahnasyi nyaritadeui. Raja téh bengisnaker. Saha waé nu teudipikaresep ku dirina,bisa nandangan mamala.Hukumanana tara jeungijiran, lantaran ukurduma sar kana tinimban-gan pribadina.

Raja Gayur, kitukatelah na. Eta téh rajagagah kacida. Loba nugimireun ku kakarangadéngé ngaranna ogé.Watekna, taya kasugema.Karajaanana nu geus

sakitu legana téh hayohwé ditamabahan ku caranaluk-nalukeun karajaansabudeureunana. Ku carakitu, éta raja téh beukibeunghar sarta kacidakasohorna.

Najan kaasupna rajabengis, ka anakna mah,ka putri téa, nyaaheunnaker. Sagala rupakabutuhan ana dicumpo-nan. Malah, naon waé nusakira-kirana pibunga-heun anak, tangtu di -pilampah. Malah, keurnyenangkeun haté anak,Raja Gayur gé nyieuntujuh kaputrén di tem-pat-tempat anu béda.

Eta tempat putriméwah naker. Dijieuntina rupa-rupa bahananu kacida mahalna.Tujuh kaputrén téh, di-jieun tina rupa-rupabarang anu béda. Aya nudijieun tina emas, batu,permata, jeung sajabana.

Tujuh kaputrén téa,ditempatanan mah ukurtujuh taun sakali. Da, sa-taun téh cicing di hiji ka-putrén. Kakara mulang

Page 12: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 11

deui ka tempat mimitisanggeus nyorang taunka dalapan.

Kageulisan putri,tangtu wé jadi kembangcarita ka jauhna. Lobalalaki nu panasaranhayang nyaho di kieuna.Atuh, sohorna téh beukilila beuki nambahan.Nya ku lantaran kitudeuih jadi loba lalaki nungimpikeun hayangngawangun rumahtangga jeung éta putri.

Ku lantaran kalung-guhan éta putri sakituluhurna, nu wani nga -lamar gé tangtu wé lainjalma joré-joré. Lolobanamah para raja jeungpangéran pirajaeun.Ngan, najan loba nungalamar putri téh tetepnolak.

Raja mimitina mahteu bingung. Ukurnganggap meureun canwaktuna hayang rimbi-tan. Tapi, sanggeusmangtaun-taun anggerwaé, sarta loba lalaki nuditolak sapajodogan, rajagé jadi hariwang.

“Naon pangna hidepnolak laki-rabi?” ceukraja.

Putri ngahulengsajongjongan. Geus kitu,paralak nyarita tatagnaker. Cenah, dirina téhboga karep jadi ratu numingpin umat manusa.Ku lantaran kitu, teumungkin dirina diping-pin ku nu séjén kaasupku lalaki.

Najan putri nolak,tetep wé loba nu nga -lamar. Kahyang nungalamar, mémang teutogmol ditepikeun kaputri raja, tapi kakolotna ka Raja Gayur.

Pipikiran raja teuweléh bingung. Lain teusatuju kana kahayanganak jadi raja disatung -kebing jagat, da kana

karep kitu mah satujupisan. Ngan, ceukpikirna, tetep wé awéwémah kudu boga salaki.Malah, dirina téh mi-harep pisan boga turu -nan nu dirundaykeuntina rahim putrikameumeutna.

Ngabandunganpasipa tan putri kitu, rajatéh bingung. Ngan, dateu bisa majar kumaha.Teu bisa maksa kanapakarepan anakna.Malah, raja téh ngarapaur bisi enya putri tegakana pati luluasanmungkas lalakon hirup.Apan, pokna gé upamaraja tetep maksa dirinakudu ngawangun rumahtangga, kajeun réknelasan maneh!

Ti mimiti harita, raja

marentahkeun balad-balad na sina nalinga -keun éta putri. Malah,ahirna mah, éta putri téhteu meunang ka mana-mana, kudu tetep dilingkungan kaputrenkalayan pangawalana nukacida kuatna.

Ku lantarankageulisanana, ceukDahnasyi, dirina gésaban peutingngalanglangan kaputréntempat Putri Budur.Kitu na téh, lantarankasengsrem hayangnempo kageulisan étaputri.

Ngadéngé caritaanDahnasyi kitu, Mai -munah ukur mésem.Diri na mah bangun teukataji ku caritaan éta jintéh. Cenah, moal enya

aya awéwé geulis-geulisteuing saperti nudicarita keun ku éta jin.

“Najan enya geulis,ceuk pikir kaula, moalkurup ari kanakakasepan anak rajamah,” ceuk Maimunah.Nu dimaksud anak rajaku eta jin téh, taya lian tiputra Raja Syahramantea nu keur dikerem dipanjara.

“Naha ku naon kituéta putra raja téh?”

Maimunah netela -keun. Cenah, nukaranda pan ku éta lalaki,teu beda ti nu kaalamanku Putri Budur. Cindek -na mah, pada-pada nolakwaktu kolotna nitah laki-rabi. ***

(Hanca)

Page 13: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

12 Manglé 2436

Meunang dibélaanminggat-minggatmancal salaki téh,

ari geus prak mah ditikah kuUsman, bet henteu leuwihsenang, mun teu rék disebuttambah nyeri téh.

Ku Nyi Rapiah bruh-bréhkagambar lalakonna baréto, tijaman dikawinkeun ku pang -rérémo kolot ka Ujang Kusénnu sakitu beuratna duriatnaka manéhna. Tuluy dibawamigunungan ngebon kopi, betdibéré aral, ngarumas bogarasa disangsara ku salaki,padahal salaki maksudnahadé, eukeur ngajar prihatin,diajar hirup leutik, makayabibilintik, mambrih nyahokana hargana kacapé, diahirbisa ngahargaan kalawanapik-rajin rikrik-gemi kanapakaya ari karasa hésé capénakeur waktu nyiar mah. MasingUjang Kusén ogé moal teubisa hirup megah, da bapanasudagar beunghar, tapi lainéta nu dimaksud; karepsalaki na mah mati-mati,pareng boga pakaya hayangladang késang jeung bati pri-hatin pribadi, ulah bandawarisan ti kolotna anu cékhakékatna mah sasat banda

timu, sih piwelas kolot.Ari duit atawa banda téa,

lamun karasa hésé nyiarna,jauh nyusulna, sok nyaah,lebar miceunna atawa dipakéawuntah. Teu cara duit atawababandaan ladang babari, sokbabari deui makéna, da hen-teu ras kana hésé-capéna.

Nyi Rapiah lain atohdibawa balangsiar ku salakitéh, kalah bedah bendungan,beunang digoda ku Usman,anak ménak sugih turunanbupati.

Mimiti dikawin mah enyakarasa senangna, rarasaan téhunggah harkat jadi pamajikanménak. Tapi sanggeus birahi -na pada laas —da bogoh sotéhperbawa napsu héwani lainmedal tina duriat anu clikputih clak hérang— nya tim-bul ngabarungsinang, NyiPiah teu weratdipangnyandung keun ka AganSariningrat anu sawaja-sabeusi jeung Aom Usman.Nya mending lamun teu barikasééh onaman, da ieu mahimah gé dilindih, Nyi Piahmah diturunkeun ka imah leu-tik di kampung Pungkur.Leuheung lamun kilirna adilona¬man, da ieu mah datang

ogé Usman téh lalantangan,jiga sahayuna pisan. Jaba tikitu indung-bapa Usman kaNyi Rapiah téh teu jigameueus-meueus acan mitohaka minantu, hadé rupana mahkawasna nepi ka hayangmisah langit.

Basana gé asa diunghakdikutplak, “urang pasar”.Ménak turunan bupati, moalenya baé kudu minantuan ka“tihang jongko”. Apan ménakmah kudu ka ménak deui.Éstu ning reueus sarta agulpisan harita mah jadi turunanménak téh, asa jadi jelemapangmulyana. Jaba ti ménakmah kabéh gé dianggapnahina.

Dina umumna, paraménak jaman harita ngang-gapna ka somah téh poharalaipna, masing ka nu beung-har ogé. Anak cacah anu daékdikawin ku mé¬nak, biasanadijieun saheulaanan, méméhmeunang nu sababad. Lamunaya nu “langgeng” dipigarwa -na, biasana dipisatru ku mi-toha, dianggap ngunghak,ngalanjuka, mapadani. Pada-hal naon dosana éta awéwé?Salah saha upama aya cacahgeulis dipikabogoh ku ménak?Naha adil lamun kasalahanngan diteumbleuhkeun baé kacacah?

Liwat saking nyerina hatéNyi Rapiah. Pibalanjaeun ogé

mun teu kaganjel ku kolotmah kawas matak ngangkrukenya. Ditambah deui panas kuomongan nu sok marawa béja,magar Usman jeung Sari -ningrat mah sok ngaluuhanpesta anu, raraméan di anu,katénjo rerendengan mari-dang tumpak bendi jeung jabati éta sakur béja nu ayapanyeureu dan. Disabar-sabarogé kitu-kitu teuing mah teukawawa.

Kawas bener omongankolot, yén sajahat-jahatnajelema, ari sakeprul mah sokaya baé kamanusaanana.Komo ari cara Nyi Piah mahteu kaitung jahatna, ukurkaabus awéwé ipis bendu -ngan. Barang dina hiji poengadéngé béja ti jalma réa,yén Ujang Kusén diiangkeunka Surabaya mah, bet maningarumpuyuk. Dina seuh-seuhanana mah geuning betburuk-buruk papanjati,sagoréng-goréngna ogé jeungbaraya, ngadéngé kitu mahbet pating leketey. Jeung aridirasa-rasa mah geuning kaUjang Kusen téh bet lain ijidlain ngéwa ka jinisna, nganukur réa teu kapanujuan kanakarepna. Dirarasakeun leuwihjero deui, kituna téh sihoréngsaperkara perbawa Rapiahogoan, tuman dingeunahkeunku kolot, ka duana kalimpu-dan ku pangharepan kosong

{ 6 }

Ku M.A. Salmun

Page 14: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 13

molongpong ti Usman,ménak-buaya pangoloanawéwé, ninggang ka NyiRapiah budak ngora acanboga adeuh, poho, yén jamanharita pimanaeun aya anaksomah lana dipibojo kuménak, masing geulis jeungbeunghar gé! Ras inget katembang:

Mun ménak migarwasomah,

lumbrahna anu geusgalib,

tangtu keur saheulaanan, méméh manggih ménak

deui, nu sawaja-sabeusi, najan Nyi Somah satuhu, bélapati satia, upama geus manggih

ganti, cul dipiceun teu nolih

nyeri atina.

Tambah gegebegananahaté Nyi Rapiah, barangkapikir, yén pangnapopotongan ana nepi ka nyan-dang ranté ngalanglaung kaSurabaya téh, poko-pokonapisan mah alatan ti NyiRapiah, mangkaning éta téhnajan teu landes pisan ogékasebutna baraya, tunggaldarah getih pribadi.

Manginget Nyi Rapiahngusial hudang, sukma jeunglelembutanana ngadakwanganaha-naha.

Mana beubeunangananatéga ka baraya téh? Naonpunjul na meunang dibélaanluas mancal salaki téh? Naonleuwihna jadi bojo Usman tibojo Kusén? Mana buktinajangji-jangji Usman anu amisalahbatan madu téh? Euweuh!Baragajul malulu.

Geblug Nyi Piahngabeubeutkeun manéh ditempat tidur, ceurik leutikngageunggeuik, malidkeunrasa tugenah ku cipanon nujuuh tanding cinyusu. Ceurikanu nyeri téa, nunggeulis eu-weuh nu nyombo atawa ngu-pahan, gulang-guling ngansorangan, da di imah euweuhbatur ngomong-ngomongacan.

Ayeuna Nyi Rapiah élingbédana Kusén jeung Usman.Kusén mah enyaan bogohna,cintana jeung nyaahna téh

medal tina kasucian ati, lainasmara perbawa nala, tapitresna anu akaran jangkarandina galeuh maneuh beutipamelaranana, buktina anatangkal duriatna dituar batur,akar téh jadi buruk. Karasakénéh ngupah-ngapéhnajeung rumawatna UjangKusén ka manéhna dina keurgering atawa pura-pura geringéstuning dagdag-degdeg pisanrumawatna téh. Éta deuihsaki tu geus lilana reureujeun-gan, sumawonna kungsingambek atawa nyarékan, cannyorang nyentak-nyentakacan. Lamun Nyi Piah mahenya, jaba ti méh unggal poéjamotrot ngabaeudan téhmaké sok nyieun pucuk ti gi-rang sagala. Tah, Kusén éta,ayeuna nyandang ranté alatanti pamajikan nginjing silabengkok-sembah.

Sabalikna ari Aom Usman,disebut aom sotéh ngan nga-gantel geusan papaés baé, daari burihna mah gangas teubéda jeung buaya, ngadodohongalilimpi pamajikan batur,cara buaya ngadodoho nukeur ngisikan, nyaplok titukangeun, digusur dibawa kaleuwi, méméh dihakan di -timang heula (lamun buayangagusur jelema atawa satorada gedé, teu bisaeunngarewég cara maung, sabab

tikorona leutik, sukuna pon-dok jeung teu sareukeutkukuna. Mamangsana sokdigégélan heula tuluy di -apung-apung ‘cara ditimang’sina paregat , dihakan sabagi -an-sabagian, nu pegat téa.Sésana sok dipeuyeum heula,dibubuykeun kana leutak,sampeureun engké) geus di -lebok sawaréh tuluy sesanadisusupkeun kana leutak dinasedong tampolana teruskapopohokeun, da kaburumeunang mamangsaan anyar,ari lain lapar-lapar teuing mahtara néangan peupeuyeuman.Dina néangna, di mana teuingmaké tuluy jinek, geusngagorogot mah léos deui baé,peupeuyeuman mah sot-léostéh saenyana.

Pimanaeun Nyi Piah arékngeunah, hirup dijieun carawadal buaya? Ku nu maracatangtu kapikir. Enya ari tadinamah haténa pasrah, masingdicandung atawa disééh kuSariningrat ogé dirumasakeunbaé, kaprah ieu jaman haritamah anak somah dijieun “lele-botan” ku ménak téh. Tapisanggeus sagala kapikir, betkarasa teu adilna adat-kabiasa an para ménak jamanharita kikituan téh, bet papadamanusa dijieun cara cocooan!

Tapi sarébu kali Nyi Piahngarasa teu adil, sarébu kali

ngarasa dijieun cocooan ogéteu bisa kumaha, da jamanharita mah paribasana gé:“Awéwé dulang tinandé,deukeut deuleu, pondokléngkah.” Manasina cara ki-wari, paguyuban wanita geusnerekab ka désa-désa, malahréa wanita nu leuwih “gagah”batan lalaki kitu-kitu baé mah.Turug-turug dina jaman NyiPiah mah anggapan umumtéh geus lumbrah, yén somahkudu jadi “Abdina” ménak,basana gé: boro-boro hartabanda, dalah anak-bojo katutraga-nyawa kabéh gé bogaménak.” Ménak anu rantabpopotonganana, reuay randa -na, pabalatak anakna di ung-gal désa –aya mendingna munbari jeung mayengngabalanja an mah— jamanharita mah dianggap kaayaanmasarakat nu ilahar baé, tarajadi carita. Ménak anu jaba tinyandung nepi ka opatdibarengan ku ngundeurngénca-ngatuhu téh, haritamah kaprah. Ménak anu gem-bul kana pupundut, rosa kanapaseba, nyaliksik ka buuk leu-tik, harita mah teu anéh.

Jaman kiwari teungadéngé ari anu prak-prakan -ana karitu mah, duka lamunpeta-petana geus robah,leuwih “modern” disurupkeunkana jaman. (hanca)

Page 15: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Puji sausikna ati mungkasangga keun ka Gusti nuMaha Suci, puja sapinuhna

rasa mung kanggo Alloh nu MahaKawasa. Shalawat tawis hormatmugia tetep di dugikeun ka panutanagung mata holangna manusa saalam dunya habibana kakasih urangsadayana, Rasulullah MuhammadSaw.

Kaum Muslimin Rohimakumul-loh,

Sa-warsih lamina urang parantosngalaksana keun ibadah puasakalayan sagala daya upaya sakamam-puhan urang, mugia sing jantenibadah puasa nu pang hadéna dinasajarah hirup urang di dunya.Salajeng na hasilna urang pasrahkeunka nu Maha Kawasa, mugia kalayansagala sifat Rohman jeung Rohim Na,sagala ibadah urang salami puasa,solat na, zakat infaq sarengshidqohna, maca Qur’an kalayanruku’ sujud na, kalih du’ana sing di -tampi (maqbul) ku Alloh. Margiibadah puasa di payuneun GustiAlloh téh ngan ngamuara kana dua

niléy. Kahiji ibadah puasa nu maqbul,kadua ibadah puasa anu mardud.Ibadah puasa anu maqbul tegesna di-tampi ku Alloh, cirina sanggup mérétapak nu hadé dina kahirupansapopoé saréngsé ngalaksanakeunpuasa. Kadua Ibadah puasa anu mar-dud nyaéta ibadah puasa anu sahceuk élmu syaré’at tapi di tolak kuAlloh. Cirina puasa nu mardudsaréngsé ngalaksanakeun éta ibadahhenteu méré tapak nanaon nu hadédina kahirupan nana saba’da puasa.

Allohu Akbar, Allohu AkbarWalillahil Hamdu,

Kumargi kitu hayu urang titénandeui sing jero isyarat Gusti Alloh dinatungtung surat al-Baqoroh ayat 183nu mangrupa saripati hasil tinapuasa, nyaéta la a’llakum tattaqun),supaya aranjeun kabéh jadi jalmaanu takwa.

Numutkeun pakar ahli bahasa al-Qur’an sapertos Ar-Raghib al-Asfa-hani, Alloh SWT. ngagunakeun kecapla a’llakum, nu hartosna mudah-muda han, ngandung dua rahasia nukudu di tafakuran ku urang. Kahiji,

méré isyarat yén urang kudu caring -cing pageuh kancing saring setpageuh iket, manahoréng teu saka -béh kaum muslimin anu tamatngalakonan puasana otomatis meu-nang darajat takwa. Ieu pisan anu diwanti-wanti ku Gusti Rosul dinapangan dika na: “Bakal loba jalmaanu puasa, tapi hasilna ngan saukurmeunang lapar jeung hanaang”.Kadua, ku alatan Alloh SWTngaguna keun kecap mudah-muda-han, maksudna Alloh maparinkasempetan ka jalma nu puasa teupilih bulu teu pandang baraya sahawaé, rék ménak, pangkat, atawacacah kuricakan, asal puasana di-dadasaranan ku iman, ihlas, jeungihtisab nyaéta sanggup ngaji jeungngajénan nga bebenah diri, Allohbaris méré mustika takwa. Terus dinatungtung éta ayat Alloh nutup kukecap tattaqun dina adegan kalimahfi’il mudhori’, nu nuduhkeun katera -ngan waktu ayeuna jeung waktu anubaris kasorang kahareup (al-hal walmustaqbal). Ieu téh nandeskeun yénniléy takwa tina hasil sabulan puasakudu ka paké dina wujud adeg-adeg

Nitenan Ciri Taqwa Hasil Puasa,Naha Geus Ngancik Dina Raga?

Ku Dr.H.Isep Zaenal Arifin, M.Ag.*)

14 Manglé 2436

Page 16: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

kalakuan hirup jeung huripnamanusa ayeuna kénéh saréngsépuasa jeung kahareup minimal sawe-las bulan nu bakal kasorang. Salaje -ngna nu kudu ku urang rada jero ditafakuran téh hiji patarosan,sakumaha luhur, naha niléy takwa dipayuneun Alloh SWT keur kapenti -ngan hirup urang di dunya jeungengké di ahérat dugi ka Alloh ngahajamarentah puasa sabulan lamina,tuju an utamana ngan ngahasilkeuntakwa? patarosan ieu pisan nu kududi aji leuwih jero tinimbang diadurenyomkeun komo bari mungukur dibibita ganjaran mah.

Hadirin RahimakumullahAlloh Swt. mémang parantos

mapa rin jami nan, keur jalma anu ka-gungan mustika takwa dina awaknakeur hirupna di dunya Alloh barisngajamin yén, saha jalma anu takwa:(1) tiap nyanghareupan kasulitandina hirupna Alloh baris méré jalankaluar, (2) rejekina baris di jamin,(Qs. 65:2-3), (3) bakal di béré kakua -tan furqon, nyaéta kamampuhanngabédakeun mana anu bener numatak nyalametkeun, mana léngkahanu salah nu baris nyilakakeun, (4)sagala aib jeung borok hirupna barisditutupan, (Qs.8:29), (5) mun nga-jerit ménta tulung harita kénéh kuAlloh ditulungan. Ngan, masalahna,naha éta mustika takwa tina hasilkuru cileuh kentel peujit puasa geusngancik dina diri, jadi acina acininghirup urang? mangga geura titénandina diri masing-masing.

Numutkeun para ‘alimil ‘ulama,dimana takwa geus ngancik dina dirimanusa, mangka bakal timbul ciriwanci dina sikep hirupna:

1. Istiqomah, ari sikep istiqomahtéh nyaéta pancegna haté dinakalakuan jeung pamadegan anubener karana Alloh dina kaayaankumaha baé ogé, nepi ka geus teunanaon ku nanaon. Dina lalakonhirupna manusa loba pisan nu cilakatéh alatan hirupna teu istiqomahdina bener, ahirna loba ka tipu kuurusan dunya nu saliwat jiganguntung keun tapi akhirnangabuntung keun, jiga rék mawa kaistana padahal gubragna ka pang-bérokan di panjara. Teu saeutik jalmabéak umur dina kaayaan anu teu

mangpaat lantaran teu istiqomah.Matak Kangjeng Rosul dugi kamaréntah keun istiqo mah dinapangan dikana, nu hartosna: ”Pékgeura istiqomah aranjeun, sababhirup anjeun téh geus jauh, lamunaranjeun loba balangah ka katuhu,atawa loba ngagaléong ka kénca,mangka aranjeun geus loba sasabkasarung dina hirup anu kacidajauhna...”

Ieu hadits jelas mépélingan yénhirup urang ulah loba balangah tapikudu istiqomah dina bener, anu étasikep istiqomah téh persis jigakalakuan jalma mun keur puasa.Tuang saurna kudu jam sakitu,bukana kudu dina waktuna. Nupuasa tara unggut kalinduan taragedag ka anginan, éstu panceg teu kagoda lamun can waktuna. Matakpuasa téh jelas ngajar ka manusa tatacara jeung ngadidik kumaha caranaistiqomah.

2. Ihsan, ciri sikep ihsan téhnyaéta ngarasa terus di pencrong kunu Maha Kawasa arék lumpat kamana ogé, sanajan rék nyumput dipetian ku tujuh lapis beusi, sababboga kayakinan yén Alloh MahaUninga. Éta pisan maksud pidawuhAlloh ngalangkungan Rosulullah “Aripuasa éta keur Kami...., ibaratnapuasa mah urusan Kami jeung an-jeun” saur Alloh. Matak jelas pisanpuasa ngadidik jalma ngabogaan sifatihsan. Sabab sabenerna mun jalmapuasa sacara lahir hésé katangen kupapada manusa, mungkin waé anakpamajikan jeung dunungan ana bisadibohongan, tapi ari jeung Alloh nuMaha Kawasa? jati diri manusa pastimoal ngarasa bisa ngabohonganAlloh. Buah tina sikep ihsan bakalkatingali dina laku hirupna sapopoéboga sikep ajrih ku Alloh nu terusmuroqobah, mencrong bari niténansagala gerak-gerikna nepi ka teu wasaarék linyok bohong komo barima’siat. Lamun sajati na tiap manusaboga laku ihsan, mangka insyaallahnagara ieu moal loba paling, badogjeung rampog, nu ngarampog nagaranyangsarakeun rahayat ku linyok bo-hong basilat létah padahal nipu bariawuntah.

3. Al-ittiqo, nyaéta kamampuhanngajauhan tina sagala rupa perkaranu haram jeung nyilakakeun. Keur

jalma nu boga mustika Al-ittiqo hasiltina puasana, naon waé anu geusbau-bau teu bener komo bari jelasharamna pasti mangprét dijauhan.Pagawéan haram, duit haram, jaba -tan haram, bisnis haram, geus teu didalilan jeung loba alesan deui pasti dijauhan sabab dibéré kamampuhan kaAlloh nyaéta kakuatan Al-ittiqo keurngajauhanana. Sabalikna kana naonrupa perkara anu halal, duit halal,usaha halal, pergaulan halal, pasti diboro bari dijaga tata cara keurmeunangkeun ana. Didieu pisan katingal dina lakuning hirup manusa,lamun urang geus teu boga kakuatankeur ngajauhan naon rupa perkaranu haram, komo bari di dalilan kusarébu alesan demi itu demi ieu,mangga wé geura ngeunteung kanakaca pangandika Alloh sareng Rosul -na, ambéh katangen yén boa hasiltakwa tina puasa téh mémang tayatapakna, iwal ti ngan saukur meu -nang lapar jeung hanaang wungkul.

Allohu Akbar, Allohu AkbarWalillahil Hamdu,

Dina al-Qur’an surat Ali Imranayat 133-135, ciri manusa anu takwaditandeskeun,

Kahiji: Alladzina yunfiquna fis-sarrooi waddorrooi

Ngabogaan kawani jeung kasang-gupan ngabagikeun sabagéan hartahasil tina késangna ka nu séjén bohdina kaayaan keur sugih ogé dinakaayaan keur pas-pasan. Naonsababna basa Qur’an bet kitu? sababjalma loba méré mawéh ka nu séjéndina kaayaan keur sugih mahdisebut na wajar. Tapi keur jalma nungancik sifat takwa kajeun dinakaayaan tigerat bari pas-pasanmanéhna wani kénéh ngaluar keunshidqoh tina harta na pikeun jualbeuli jeung Alloh. Méré mawéh dinakaayaan pas-pasan mémang lainpaga wéan gampang, sabab umumnamanusa bakal loba tinimbangan,mungkin waé kaluar kecap,”...boro-boro méré keur batur keur sorangangé teu cukup..”. Poho yén shidqohmah urusanana lain jeung manusawungkul, tapi ogé langsung jual beulisareng Gusti Alloh Swt. Dina salah-sawios hadits Kangjeng Rosul dugi kangandika:” Yeuh manusa, shidqohheula anjeun, kakara anjeun bakal

Manglé 2436 15

Page 17: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

dibéré ku Gusti Alloh...”.

Kadua: Walkaadhimiina Algo-idho

Jalma anu tos ka ancikan mustikatakwa ngabogaan dua kamampuhan,hiji mampuh ngadalian diri tinadorongan sagala hawa nafsu na, duasanggup nahan diri dina kaayaankeur amarah atawa keur ngambek.Dua ciri ieu éstu keur ngajagakahorma tan jeung ajén harga dirimanusa. Urang gé tiasa ningali dinakahirupan sapopoé, loba jalma nucoplok kahormatan ana ku alatan teumampuh ngadalian diri tina sagaladorongan hawa nafsu na, malahtungtung na manéhna nu jadi budakhawa nafsu. Dimana manusa geus ditumpakan ku hawa nafsuna mangkaakal, élmu, kapangkatan, jeung ajénhirupna helas taya paédahna. Sababélmu, pangkat, jeung jabatan bakaldipaké pipinding keur nedunan ka-hayang hawa nafsuna.

Katilu: Wal ‘Aafiina aninnasiKaancikan ku sifat gancang ménta

hampura lamun ngarasa salah jeunggancang ngahampura ka nu bogasalah. Éta dua sifat agung téh mé-mang lain perkara gampang ayanadina diri urang. Komo lamun jadijalma anu gumedé bari teu rumasa an,dina salahna teu ngarasa salah, dinangahampurana ka nu boga salah teugampang, nu aya malah jadi “dendamkesumat” karatan nepika yaumil kia-mat. Keur jalma anu boga sifat takwagampang pisan méré hampura, barinuturkeun kumaha ceuk unggelnaQur’an saperti dina Surat al-Maidah:13 : Fa’fu ‘anhum washfah, innallohayuhibbul muhsiniin.

Ieu ayat méré tungtunan nu jéntrékumaha tata titi jeung carana silihhampura, sabab loba jalma anu aréksili hampura tapi teu nurutkeun tatacara nu gariskeun ku Qur’an antugnasia-sia. Numutkeun ieu ayat aya dualéngkah tata carana lamun urang réksilih hampura:

Kahiji: Fa’fu, tancebkeun heulaniat rék ngahampura atawa méntahampura, sabab lamun teu boga niat-niat acan arék nga hampura mangkapagawéanana moal jadi. Ngan niatwungkul can cukup, matak kuduterus ka nu langkah ka dua nyaéta:

washfah. Numutkeun Ahli tafsir,washfah téh aya tilu harti: (1) lapang -keun heula dada keur siap ngaham-pura kasalahan batur, sabab lamunteu lapang dada ibarat caang bulanopat welas balungbang timur jalangedé sasapuan paribasa na, lobajalma nu teu jadi silih hampurana,(2) Mushafahah, nyaéta kudu aya cirisilih hampurana, misal wujudna silihpataréma leu ngeun, (3) shahifah,hartosna kudu muka lamaran hirupanu anyar anu teu geuneuk teumeueleukmeuk éstu bodasngagenyas bersih wening tina ati nepikana lisan jeung kalakuan ana.

Kaopat: Alladziina Idza faaluufaahisatan ao dholamuu anfusahumdzakarulloha fastagfaruu lidunubi-him. Jalma nu tos kaancikan sifattakwa hasil tina puasana, dimanasakali waktu manéhna ti solédat kanakasalahan jeung migawé dosa atawadolim kana dirina, geuwat ingetjeung éling ka Alloh, di tuturkeun kuistigfar dina harti ménta pangampuraka Alloh tina sagala rupa dosa jeungkasalahan, bari jangji neukteukleukeur meulah jantung, ngaguratjagat moal arék sakali-kali deuimilam pah kalakuan anu salah.

Allohu Akbar, Allohu AkbarWalillahil Hamdu,

Hadirin kaum muslimin rahi-makumullah

Pamungkas dina khutbah ieu,hayu urang ngaji diri urang soranganantara kuring jeung kurungnategesna raga urang, naon hasil tinapuasa nu geus ngancik dina diri, nga-jengjen dina angen-angen, ngajentuldina qolbu, bari niténan pangandikaJungjunan urang Kangjeng Rosul nungandika: Li-kulli syae'in zakah, wazakatul jasad as-shaomu. “Ari sagalarupa perkara téh éta aya alat keurngaberesihanana, mangka ari alatkeur ngabersihan jiwa raga manusanyaéta puasa”.

Kumargi kitu kahiji: muga-mugabati tina puasa ladang tina laparjeung dahga urang nu di dadasaranku iman jeung ihtisab, sing bisangabersihan sagala rupa panyakitjeung kokotor dina haté urang anumémang teu aya obat dokter jeungrumah sakitna. Muga-muga sagala

panyakit rohani, goréng haté, sirik,dengki, iren pinastren, dudupak, ru-rumpak, teu resep kana kahadéan,lulucon kana ibadah, campoléh kanaperkara ahérat, sing diberesih keunku puasa urang.

Kadua, lamun mah tacan imeutkénéh ku puasa, muga-muga masingkasimbeuh kasampurna keun kuzakat anu husus keur ngabersihandiri nyaéta zakat fitrah. Sabab ditiliktina harti zakat hartosna ngabersi-han, fithrah hartosna; (1) asal kaja-dian, (2) kasucian, (3) agama nulempeng bener. Tina makna ieu pisanatra tur tétéla zakat fitrah ngandungmakna rusiah zakat anu bisa mali -keun deui kana asal muasalnamanusa nyaéta suci jeung dibingbingdeui balik kana agamana anu jejegbener. Ku sabab pentingna ieu zakatfitrah nepika teu ka uger ku nisab,malahan jabang bayi nu kakara brallahir ka dunya ogé wajib di fitrahanlamun aya waragadna.

Katilu: dimana kurung jeungkuringna manusa tos diberesihan kupuasa jeung zakat fitrah, bisi kénéhaya pakuat-pakait kasalahan jeungpapada manusa, maka Allohmaréntah keun wajib silih hampura.Dipungkas ku kasampurnaanngagung keun Asmana Alloh dinaTakbir, Tahlil, jeung Tahmid, isuknajalma anu kitu digambarkeun kuRasu lullah dina kalimat ‘Ka yauminwaladathu ummuhu’. Keureut beu -ngeut sopak awakna persis ibarat ja-bang bayi anu kakara lahir dinapapada bersihna, sedengkeun poé étadi sebut ‘Idul fithri, nyaéta poénansakabéh umat muslimin balik deuikana asal kasucian fitrahna hasil tinapuasana, kalayan dipapaésan kukalimah pamapag ‘minal ‘aidin walfaaizin’, nu mudah-mudahan singjadi aleutan umat anu balik kana asalsajati na manusa anu suci bersihjeung jadi umat anu untung nyaétasalamet dirina jeung nyalametkeunka batur mulya dunya ahérat. Insya -allah!. Ja'alanallahu wa iyyakumminal aidin wal faidzin waadhilna waiyyakum fi ibadahishsholihin, waqulrabbigfir warham wa anta khoirurro-himiin. Amin. ***

*) Dosen Fakultas Dakwah UIN SGDBandung

16 Manglé 2436

Page 18: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

17Manglé 2436

Page 19: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 243618

Munggah

Ayeuna mah nu disebut munggah téh ngariung curak-curak méméh bulan puasa. Sabalikna tina babasan“Puasa manggih leba ran”, munggah mah “Cucurak

mapag puasa”. Malah sok diaya-ayakeun teuing ayeuna mah.Contona baé sanggem pun alo taun ieu mah kantornangayakeun acara munggah bari piknik. Bring tilu beus ngom-poy ti Bandung ka Pangandaran, kabéh eusina karyawanjeung kulawargana. Méh satengah poé di jalanna ogédibélaan luut-léét késang ngaliwatan jalan “padat merayap”bari teu eur eun-eureun kikiplik mépés bayeung yang ukur rékngadon munggah jauh ti imah. Uyuhan.

Di lembur kuring mah mungah téh lumangsungna sapoéméméh puasa. Silih anteuran sangu sapuratina ka tatangga-tatangga sabudereun imah jeung ka kolot-kolot atawa nudipi kolot. Sok loba kadaharan ari munggah téh pangirimtatangga-tatangga nu deukeut jeung nu rada jauh. Béjanabatur mah aya praktis jeung éfisién nyaéta kikiriman ti baturtéh sok dikurilingkeun. Upamana kikiriman ti A dikirimkeunka B, nu ti B ka C, nu ti C dikirimkeun ka A jeung saterusna.Atuh ngarah teu kaciri teuing sok dikombinasi. Cenah aya ka-jadian hiji kulawarga nampa kikiriman munggah nu asalnati anjeunna kénéh. Béjana dipulangkeun deui maké implik-implik “Hatur nuhun, sanés nampik rejeki, mung bilih paba-lik létah”. Tara kitu Ema mah, kabéh ogé dipulang kupasakan anjeunna.

Soréna bada asar urang kaum jeung nu naretepan kumpulngariung di émpér masjid pikeun ngadangukeun ceramahngeunaan saum ti “Juragan” Halipah”. Tas kitu der ngaropi,lala wuhna rupa-rupa katuangan “jajan pasar” sumbangan tisaha baé. Kuring gé jeung barudak séjén sok milu nga riungjeung kolot-kolot, sarua meunang jatah. Apal deui ti saha-sa-hana susuguh téh, da apan ku Bapa sok ditataan heula bariterus didungaan ku saréréa dipingpin ku anjeunna. Komosusuguh ti imah mah pangapalna sabab méméh dikamasjid-keun geus seubeuh ti heula. Mun teu bada asar, réngsétarawéh munggah téh. Sarua intina mah sukuran, atuhacarana teu pati béda ti “munggah asar”, bédana tara makéceramah deui, tapi langsung ngariung, terus ngadunga, sat-utas ngadunga der ngaropi heula méméh marulang. Ceramahmah apan geus didugikeun méméh tarawéh.

Aya deui nu disebut munggah téh nyaéta dahar saur mung-garan. Éta mah acara sakulawarga. Ménuna ogé sok ngahajarada diistiméwakeun. Nu biasana tara maké “hahanyiran”,harita mah sakurang-kurangna aya pasakan lauk. Malah dinu aya mah sok aya daging hayam meunang meuncit beu-rangna. Sok pagembul-gembul saur munggah mah mapagisuk luntah-lentéh. Malah kuring mah sok ngahaja loba ngi -num nepi ka ampir olab, da isuk ambéh teu hanaang. Tapiakibatna….bésér. Tara kaur reup, sok ménta dianteur ka cai.

Mun horéam hudang teu karasa…ngompol. Atuh isuk-isukpada ngéra-ngéra.

“Si Hang seuy” dipoyokanana ogé. Hangseur maksudnatéh. Teu bisa kukumaha, rumasa jadi budak pang leutikna tiantara salapan putra Bapa jeung Ema. Tapi najan pangleu-tikna ogé kuring mah ti umur lima taun geus diajar puasa.Asana ti mimiti umur genep taun sok tamat-tamat baé nepika ayeuna geus reuay incu, Alhamdulillah, bisa kénéh diitungku ramo teu tamat puasa téh.

Ngoméan bedugPisapuluhpoéeun kana bulan puasa ngoméan bedug mah.

Jeung sok isuk-isuk pisan deuih migawéna sanggeus mangMad Lomri, merebot masjid Padahérang, réngsé mumuluk.Jeung pangpangna mah ngarah leuwih loba waktu pikeunngudag lohor. Da bakal jadi perkara gedé atuh mun ngoméanbedug can réngsé, ari lohor geus manjing. Saréréa bakal kali-wat solat lohor. Apan matak ruksak pardu ‘aén salelemburparat ka lembur séjénna nu sok kadéngé aweuhan bedugmasjid Padahérang. Saha nu nanggung dosana? Duaan. MadLomri, merebot, jeung Juragan Halipah, bapa kuring. Ku ki-tuna Bapa mah sok langsung ku anjeun ngamandoran nungoméan bedug mah.

Bada solat subuh bedug téh diturunkeunana digarotongdiréréyang ku nu harita milu solat berjamaah. Terusdiéncagkeun dina tempat nu ti kamari geus meunangnyayagikeun di paka rangan masjid kaiuhan tangkal kérsen

Tatahar Puasa di PilemburanKu H.D. Bastaman

2

Page 20: Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Page 21: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

20 Manglé 2436

Rumah tanggakuring jeungmanéhna téhcukup lila,layeut, ceuk

batur mah nurub cupucenah. Sok sanajan ka -ayaan ékonomi mah bisadisebut pas-pasan. Lainbobohongan, maklum ku -ring mah pagawé leutik,kasangtukang salakukepala sakola di hiji ésdé.Anu leuwih reueus deuimah pamajikan pisan, teuaya aral subaha téh, ridobari jeung teu weléh nging-iclik baé ka ditu ka dieutéh, ceuk budak ngora mah

meureun “lengket kayanomor hapé”. Nya éta ogéari sautak-saeutik mahgangguan téhnik téh aya,maklum pasipatan manusaanu kurang sampurna téa.Geus puguh ari arogoan -ana anak buah mah, bohsacara pribadi boh dinadines. Maklum ka anakbuah téh kuring mah ter-buka, blak-blakan dinasagala rupa. Sering pisanlamun anak buah teu hadirkuring sok ngeusian kelas,maksudna mah nyelanganngajar. Dicaritakeun téhlain nanaon, pédah wéinget kana tanggung jawab

jeung kadisiplinan baé. Danaon deui atuh di alamdunya mah, pikeun kuringkitu ogé, itung-itung ha -yang pepelakan baé anuhadé pikeun sampeureunengké jaga. Dina hijiwaktu, guru kelas 4 teudatang, malah teu béja teucarita. Sedengkeun ariguru kelah 4 téh nya étaguru tidak tetap/GTT téa.

Budak kénéh alias gadis,rajin pisan dina sagala pa-gawéan téh. Malah anuanéh téh teu dipiceunsasieur jeung pamajikantéh, éstuning kawas jambédibeulah dua.

Harita kelas 4 téh kukuring tadi téa nyelanganngajar, nya éta dina pala-jaran kasenian. Deker baékuring téh ngajar, ongkohtamba cangkeul, kabene -ran keur rineh, maklumgoréng-goréng ogé kuringtéh pimpinan.

Singhoréng salila 2 jampelajaran kasenian téh,anak buah kuring getetetéa téh aya, ngan siganaarék asup ngajar téhkagokeun, béh dituna dijalanna macét meureun.

Sabot kitu bapa penga -was sumping, saterusnaanu narima bapa pengawastéh nya anak buah kuringanu GTT téa, anu héjokénéh pangalamanna.

Geus kitu kuduna meu -reun, bapa pengawas téhngaler ngidul sagala di-

Carpon Darajat Tisnawijaya

Getete/GTT

Page 22: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 21

tanyakeun, nepi ka halpribadina ogé tetelepek di-tanyakeun, bari jeung operékting sagala, maklum,bapa pengawas téh duda.Nyaho sotéh guru kelas 4GTT téa laporan, bariceurik sabada bapa pe -ngawas mulih. Ti ditunamah mangadu meureun,bakating ku geus teu asa-asa téa ka kuring.

Samulihna bapa penga -was, kuring jeung anakbuah nya éta guru-gurukatut penjaga rapat leutikheula. Ngabahas naon-naon anu didugikeun kubapa pengawas kayaningngeunaan pentingna dunyaatikan komo dina éra glo -balisasi kawas kiwari, anuserba canggih, pangpangnadina nyanghareupan“kurikulum 2013” cekengtéh.Réngsé ngayakeunrapat, anak buah marulangbaralik, ngan penjaga baéanu pangpandeurina baliktéh. Da kitu meureun geusilahar ari penjaga mah,datang pangheulana balikpangpandeurina dimana-mana ogé. Sakapeung mahsok ngarasa éra ku penjagatéh, mun sakabéh PNSpangpangna para pajabat,disiplinna kawas penjagasakola, sigana bérésmeureun ieu nagara téh.

Teu karasa jam geusnuduhkeun tabuh 15.00,lila pisan geuning kuringcumeluk nyorangan dikantor téh. Maké jeungmukaan biodata si GTT téasagala, nepi ka sababarahakali diilo, padahalmanéhna téh geus lila nga-jarna. Da geus kitu kudunameureun, teuing aya rasananahaon, sakali deui dise-but anyar da geus lila di-nesna téh. Ngan jelas ariumurna mah jauh pisanjeung kuring téh, bédanaogé 35 taunan. Ari anuhayang seuri mah lamunkuring aya di kantor ny-

orangan, teu bosen-bosenéta biodata téh dibukaandeui. Malah dina hiji waktumah ampir-ampiran ka -éraan ku guru-guru téh,ngan berekah aya ide, gan-cang ditutupan ku mapséjén, heuheuy deudeuh,asa éra mikiran kalakuanmangsa harita.

Geus kitu kuduna meu -reun, dina umur kuringnincak kana 58 taunan, pa-majikan téh dipundut kuNu Kawasa, alatan katara-jang jantung ceuk doktermah. Mangkaning tadi téa,keur reug-reug pageuhrumah tangga, kari-karisakaligus ditinggalkeun.Kacipta kumaha sedihnakuring jaman harita dinasagalana, katambah-tam-bah nepi ka harita kuringacan dibéré pisan turunan.

Teu karasa waktu nyé -rélék, kuring angger nga -laksanakeun tugas sa kumaha biasa, pon kitudeui guru-guru katut pen-jaga sakola.

Dina hiji waktu GTTanak buah kuring téa ge -ring, malah nepi ka diop-name sagala. Ari kuring dasalaku komandan téa, ung-gal poé ngalongokan karumah sakit téh, katam-bah-tambah manéhna téhgeus yatim-piatu. Sahadeui iwal ti kuring ogéguru-guru anu mikanya -ahna téh. Lucuna, ari anakbuah kuring, guru-gurutea, teuing kumaha, sigaanu ngartikeun, saban kur-ing keur paduduaan, komokeur ngahuapan mah, soknyaringkah, alesananarupa-rupa, maklum S1malah S2 anah buah téh.Tapi ari palebah pamitanmah deui-dui lucu, manikompak persis anu keurrampak sekar.

Pareng dina hiji waktupisapoéeun deui ka balik tirumah sakit, bet aya rasaanu béda sajeroning ngob-

rol téh. Lain wungkul ma-pagahan anu aya patalinajeung kadinesan, tapileuwih jauh ngobrol kanamasalah pribadi sagala.Meureun ceuk barudakngora kiwari mah “men-geluarkan isi hati ungka-pan rasa” curhat téa.

Teu kalis bari jeung luak-lieuk sieun aya nu ngitip,geus puguh haruwas-haré-wos mah. Mana komo basakeur ngedalkeun naon anudisebut eusi haté. Yén... daaéh kuring téh nyaah kamanéhna, trensa, ah jeungsajabana wéh. Éta téh barijeung teu karasa cipanonmurubut, inget ka si jenatanu sakitu bélana basakeur masih kénéh ayadikieuna. Ditambahan kurasa éra, sieun ditolak cintatur ku anah buah pisan. Ariteu dikedalkeun bisi kupangawas manten, jabapangawas mah beunghardeuih, da pangkat jeunggolonganana leuwih luhur,

ari rék kikieuan piraku baé.Dina simpena peuting di

Rumah Sakit harita, teudisangka-sangka anakbuah kuring anu masihkénéh ngora téh ngaharé-wos: upami bapa nyaah kaabdi, sing sapertos bapanyaah ka ibu almarhum,istri bapa cenah. Manggatéh teuing, badé iraha-iraha ogé abdi ditikah kubapa, da saleresna abdiogé... teu kebat manéhnaneruskeun caritaanana,ngan anu jelas mah gabrugbaé ku kuring ditangkeup,dikeukeupan, bari rasapinuh ku suka kabungahngadéngé caritaan Nyi Mo-jang GTT téa.

Teu karasa pas umurkuring nincak kana 60taun, dina harti sakeude-ung deui kana pangsiun,kuring ngalaman nyorangdeui balé nyungcung jeungmanéhna GTT anah buahkuring, guru kelas 4 téa.***

Page 23: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

22 Manglé 2436

Peré sakola, Aminngajak lalajopagelaran wayangdi sanggardeukeut sakolaan

ka sobat deukeutna."Mar, isukan urang lalajo

pagelaran wayang di sanggaryu!" Amin ngajak ka Umar."Horéam ah, peré sakola téhbatur mah dipaké reureuh,manéh mah malah dipakélalajo." Témbal Umar.

"Lalajo ogé da lain dipaké

lalajo nu teu pararuguhatuh." "Heug atuh, heug."

"Hudangna isuk-isuk pisannya? Ngarah bisa meunangtiketna, sabab loba pisan anurék lalajo."

"Heug. Ngan mun inget,heueuh?"

"Lah manéh mah. Teuhayang apal, pokona kuduisuk-isuk hudangna." “Ah,manéh mah. Heug lah."

Poe isukna, Amin nga -dagoan Umar di pipirimahna. Ngan, geus aya kanadua jamna, Umar teu datangkénéh waé. Teu kungsi lila,torojol wé Umar. "Geus timana heula atuh? Wayahkieu karék datang." "Karékhudang pisan, untung ingetogé." "Hayu atuh ah, kaburupinuh." "Hayu, hayu."

Amin jeung Umar gancangindit ka sanggar pikeun lalajopagelaran seni Sunda. Étapagelaran téh mangrupapagelaran wayang golék anudi dalangan ku Ki DalangAsép Sunandar Sunarya tipadepokan wayang GiriHarja 3 Kota Bandung.Bubuhan resep pisan sartahayang panggih jeung KangAsep, Amin pang sumanget -na ka sanggar téh.

Barang nepi di sanggar,loba pisan jalma anu réklalajo kana éta pagelaran.Geus teu anéh lamun étasanggar pinuh ku anu réklalajo, kulantaran ti poé-poéanu enggeus-enggeus ogéloba anu lalajo. Cenah mahramé bubuhan dalangna geuskamashur ku balaréa jeungdeui éta pagelaran téh lian tidakwah syaréat Islam, ayaogé bodorna. Pantes waélamun loba anu ngadon lalajotéh.

"Mar, kuring mah geus teusabar hayang ningali wujudaslina Kang Asep Sunandar.""Har. Ari manéh siga nu

Juara 3 PasanggiriNgarang Carpon Paguyuban Pasundan

Patepung di Munggang Gunung

Ku Eka NugrahaPutra

Page 24: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 23

kakara pisan. Teu pira AsepSunadar dina kasét ogé ayaatuh." "Béda atuh jeung dinakasét mah."

"Béda kumaha ari manéh,sarua-sarua kénéh AsepSunandar."

"Maksud téh béda wu-judna. Ari dina kasét mahngan saukur rékamanana.Pan ari ningali langsung mahjadi katingali wujud aslina."

"Ah. Angger wé rék dinakaset atawa ningali wujudnalangsung ogé tetep wé AsepSunandar mah Asep Sunan-dar. Da moal rubah, sugandina wujud aslina mah AsepSunadar téh jadi Agus Yud-hoyono, moal atuh nepi kaembé bias ngapung ogé.Hehehe.”

"Kumaha manéh wé lah.Hésé ngomong jeung manéhmah."

"Hésé kumaha atuh arimanéh. Hésé kénéh naékantangkal cikur, hehehe."

"Duka lah. Pinter pisanngabalik-balikeun manéhmah. Geus ah, tuh geurangantri."

"Hehe... Éléh téh kitumanéh mah. Heug atuhheug."

Saenggeus ngomongngalér ngidul, Amin jeungUmar ngantri meuli tiketjang asup ka jero sanggar.Tiket jang asup ka sanggartéh kaitung murah pisanngan ukur Rp. 25.000,00.

Geus aya ngantri kanasatengah jam, tiket jang asupka sanggar téh geus béak kajual. Atuh Amin jeung Umartéh kacida kuciwana, hanasngadadago salila-lila nganeuweuh hasilna.

"Lah, borona geus nang-tung salila-lila nepi kacangkeulna, pék téh tikétnabéak. Hanjakal pisan"

"Héhé. Teu jadi atuh rékngakurkeun Asep Sunandardina kasét jeung nu aslinatéh?"

"Manéh mah batur susahtéh ngadon nyeungseuri -keun." Témbal Amin bangunambek." Atuda manéh mahteu beunang dibéjaan, geuspuguh loba nu rék lalajo. Nya

puguh waé ari datangna beu-rang mah kaburu béakeuntiketna."

"Salah manéh ogé atuh.Urang mah geus ngingetanhudangna isuk-isuk, ieu mahmalah hudangna kabeura -ngan."

"Atuda salah-salah waémanéh mah, liburan kieu di-paké lalajo wayang. Siga aki-aki waé."

"Puguh da lalajo wayangtéh kudu aki-aki waé.Wayang mah lain ngansaukur jang aki-aki wungkul,kuduna mah urang salakurumaja kudu bisa ngamu-mulé budaya sorangan. Rékku saha deui mun lain kuurang?"

"Manéh mah ari geusngomong kitu téh asa sigapajabat pisan, hehe." "Lah,hésé ceuk urang ogéngomong jeung manéhmah."

"Geus ah, hayu urangbalik!"

"Engké heula atuh. Urangtéh da hayang lalajo matakkadieu ogé."

"Ari manéh aya ku pinter.Rék lalajo kumaha, kapantikétna ogé geus béak, pirakukudu ngapung mah!"

"Kumaha waé atuh caranamah, nu penting urang bisalalajo. Sugan aya tempatkosong sahijieun mah dijero.Kajeun teuing ngampar ogé."

"Ari manéh éta aya kukeukeuh pisan, piraku urangkudu balik heula mawasamak ti imah mah. Panmatak tikét geus béak ogégeus euweuh tempat deui di-jero téh. Hayu ah balik."

"Rék naon balik, rék mawasamak?"

"Ari manéh, rék mawa akiurang! Nya balik wé atuh, didieu ogé rék naon ari tikétnageus béak mah."

"Euh. Nya hayu atuh."Nu ahirna Amin jeung

Umar téh marulang ti sang-gar. Bari jeung bangun kukeuheul, Amin kapaksa nu-turkeun Umar mulang tisanggar. Umar nyimpangheula ka warung rék meulicai nginum. Teu kahaja Amin

papanggih jeung Usup, nukasampak keur mawa ka-capi. "Sup, érék ka mana?"Amin nanya ka Usup.

"Eh, ari sugan téh saha.Érék ka sakola. Kéla-kéla,pan manéh téh lain éréklalajo di sanggar?"

"Nya tadina mah. Ngankeur ngantri meuli tikét, geuskaburu béakeun, jadi waé teutulus lalajona."

"Euh, karunya pisan. Geuswé atuh ngilu jeung urang kasakola!"

"Rék gawé naon? Pan peréatuh ayeuna mah, euweuhsasaha di sakolana ogé."

"Latihan rampak kacapi.Aya nu keur latihan."

"Latihan jang naon ? ""Jang lomba di Manon-

jaya. Hayu ari rék ngilumah!"

"Hayu atuh.""Urang mah moal ngilu ah,

Hayang cicing di imah."Omong Umar.

"Heug. Sukur atuh. Ri-weuh barina ogé mawamanéh mah."

Ahirna, Amin nuturkeunUsup ka sakola pikeunningali latihan rampak ka-capi, sedengkeun Umar mahmalah milih mulang kaimahna.

Kasampak di sakola téhteu loba jalma. Mung ayaSani wungkul. Nu séjénnamah can kataringali.

"Ni, kamarana anusaréjénna?" Usup nanya kaSani.

"Aéh, pan keur lalajo heulapagelaran wayang di sang-gar." Témbal Sani.

"Geuningan. Atuh Ulameureun. Bisi kaburu hujanyeuh."

"Tadi téh nitah dagoanwaé cenah. Moal lalilameureun."

"Moal lila kumaha? Nyahopagelaran wayang mah lilapisan. Rék nepi ka irahaurang ngadagoan?"

"Duka atuh, da tadi téhngomongna kitu. Dagoanwaé atuh, moal lila sugan."

"Heug atuh lah.""Sup, ngarah teu kesel.

Kumaha lamuh manéhpangngajarkeun kacapi kakuring?" Omong

Amin."Heug atuh."Amin dilatih ngacapi ku

Usup. Teu gampang bisangacapi téh. Kudu bogaleung eun anu geus kalatih.Lian ti éta, kudu geus apalkana konci-konci nadana.Éta anu dua téh kacida pen -tingna pikeun pamaén ka-capi. Teu sapoé, dua poé,bisa ngacapi téh. Ngan,lamun urangna soson-sosonkana latihan mah, bakaltereh bisa ngacapi téh.

Wanci geus rada beurang,Amin can bisa kénéh nga-capi. Ku héséna ngacapi,Amin beuki sumangetpikeun bisa. Ngan Usup ban-gun nu keuheul, meureunpédah Amin teu bisa-bisawaé. Wanci geus nunjukkeunpukul dua, torojol waé baru-dak anu geus lalajo di sang-gar. "Eh, Sup. Hampura euyurang tadi geus lalajo heuladi sanggar teu bébéja heulaka mamah deuih." OmongAndi ka Usup bangun éra.

"Lain ngabéjaan atuh,nyaho kitu mah urang ka di -euna teu isuk-isuk teuing."Témbal Usup. "Hampura, daurang ogé tadina mah moalaya niat rék lalajo. KusababMang Dada ngajak jeungdibayaran, nya kapaksa waéarindit ka sanggar."

"Maranéh mah mikirkeuntéh jang kabutuhan soranganwaé, teu mikiran ka batur.Ceuk urang mah rék lalajokomo bari dibayaran mahlain ngajak ka urang." "Boro-boro inget hayang ngajak kamanéh, kana latihan ogé teuinget-inget acan." "Heueuhkitu tah kabisaan manéhmah, lamun geus suka sora -ngan téh tara inget ka batur.""Atuda kumaha deui, aripoho." "Matakna ulah lobadoraka ka kolot, kitu tah aki-batna."

Nyambung ka kaca 28

Page 25: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

24 Manglé 2436

Teuing ku jem-pling lamunmangsana majuka peuting.Tara aya nu

ludeung indit sosorang -anan, ngaliwatan sasakCipanggilingan.

Geus sering kabéja -keun, sok aya anu megat.Mun henteu, aya ogé nukawénéhan ningaliawéwé gareulis, tapipalebah sasak sok ngari -les leungit.

Tukang dagang emihmah geus arapaleun,kana sababaraha kaja-dian di dinya. Atuhpuguh wé sakalieunmaranéhna rék mulangentas dagang, tara daéksosoranganan.Maranéhna silih tung-guan di tonggoheunsasak.

Harita téh pas Juma'ahkaliwon, geus diajam tibeurang kénéh rék nga-haja nyingsieunan baturnu ngaliwatan sasak. SiOtim batur kuring nga-haja dibéjaan, maksudtéh rék duaan nying -sieun anana.

Tas magrib sepré bodasdipaké disimbutkeun,luhurna ditalikeun kawaspocong. Tengahna dita-likeun kana cangkéng,srot, srot dikocrotanminyak air mata duyung,meleber seungitna angin-anginan. Teu poho kem-

bang samoja ngahaja di-awurkeun palebah sasak.

Sup kuring asup ka ko-long sasak, cingogo cun-gakgok luhureun cadasnu ngangkrong. Reungitrabeng sahéng sing ha -rieng kana ceuli. Nukabeneran nyoco kara -sana ateul liwat saking.Sabot gugutrut ngagarourut reungit. Gorobas,aya sora anu ngagorobas,singhoréng bangkongluncat sigana rada kage-bah.

Ditunggu-tunggu sa -jam dua jam, acan kénéhaya nu ngaliwat. Teu ka -rasa waktu geus mingkinpeuting, Si Otim ogé acanpuncengis, padahal tibeu rang kénéh dipapado-nan.

Angin peuting ngahili-wir, karasa tiris. Minyakair mata duyung meleberseungit ngahiliwir nam-bag kana irung katebakangin. Asa béda rarasa -an, asa-asa aya nu nya -bak kana punduk, tiisnyecep. Puriding bulupunduk muriding.

Teu kanyahoan titadi -na, di gigireun aya nudiuk noél kana taktak,geus moal salah pasti siOtim, kitu ceuk pamikirkuring.

"Ari manéh lila-lila teu-ing Tim," ceuk kuring kamanéhna.

"Hehh," ceuk ma -

néhna.Héos bau hangru

kaluar tina sungutna."Kamana heula ari

manéh kakara kadieu?""Hehh.. .," ceuk

manéhna deui. Héos deuibau hangru.

"Kunaon ari manéhngan hehh, héh waéjeung naon nu didaharku manéh mani hangrukieu?" ceuk kuring ka SiOtim.

Nu digigireun teunyarita, garayam leung -eunna ngagarayamnyekel leungeun kuring.Tiis combrék karasana.

"Cicing siah Otim, tongloba heureuy?" ceuk ku -ring ka manéhna.

Nu digigireun kalahngahajakeun. Garayamkana punduk, leungeun -na karasa geunyal, clakaya nu nyakclak kanapunduk, napel karasa tiispisan bari utak-utek.

Nu napel dina pundukdirampa, terus di tempotapi teu katempo dapoék. Dirarasakeun, ge-uning ieu téh siga bila -tung. Haté mimiti nga rasa cangcaya, yén nu digigireun téh boa-boa lainSi Otim.

Rarasaan mingkin teupararuguh, rék ngejat teubisa suku asa diborogod.Awak ngeper, késangbadag, késang lembutngorolok saawak-awak.

Teu sirikna ngiihanmanéh, kuring ngan ukurbisa ngajeten.

"Hayu alek ngilu katempat uling di sasak se-long," ceuk nu digigireunsorana rada ngosom.Sabot nyarita kitu ra -cleng tina sungutna bi-latung laleutik sagedé-gedé puhu sapu nyéré.

Tungtungna tibuburan-jat cengkat. Jedak tarangkana papan sasak, sukuasa aya nu ngarawél, gu-jubar awak tigujubarkana cai walungan.Usah-oséh hésé hudang,awak kabakutet ku sepré.Teu nolih awak rancucut,térékél naék ka luhureunsasak, kasampak Si Otimngabebengkang teuéling-éling, awaknamasih dibungkus kénéhmaké sepré bodas luhur -eun sasak.

Sajorélatan katempoaya pocong ngajorélat tikolong sasak jleg cicingngabelegedeg hareupeun.Sebrut kuring lumpat sa-taker kebek, teu nolih kaSi Otim nu ngabebeng -kang. Isukna, awakkarasa nyareri. Leungeunjeung suku barundasbalas tikararait, teupuguh rasakeuneun.

Sepré urut peutingmasih ngalumbuk di jurukamar. Rék dicokot, bétasa rada keueung. Tapiahirna teu wudu, diko-

Pocong Sasak SerongKu Maman Rachman

Page 26: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 25

réhkeun ku suku. Barangdikoréhkeun, tetempoantéh bilatung laleutikracleng tina sepré nu di-paké popocongan.

Peuting isukna sang -geus awak rada teu patiteuing nyareri, léos inditka imah Si Otim. Si Otimngagojod dina dipanparanti saré di kamarna,sirahna ditémpélan kusaputangan nu ngahajadibaseuhan ku cai com-brang. Rét manéhna kakuring, panonna burialbuncelik bari undur-un-duran.

"Pocong!" ceukmanéhna nunjuk ka ku -ring.

"Tim, Tim éling ieumah uing!" ceuk kuring.

Si Otim angger pocong-pocongan, kituna téh baritutunjuk ka palebah ku -ring. Anxh ku tingkahlaku Si Otim kuring nga -lieuk ka tukang, bener wédi tukangeun kuring ayapocong ngabelegedeg.Kuring reuwas gabrugnangkeup Si Otim, Si

Otim mani nga -bebengkang katindihandina tempat saréna.

Pocong ngadeukeutan,beungeutna nampeupisan kana beungeut ku -ring. Teu antaparah deuibari jeung sieun popo -congna dijambret. Brehtéh, singhoreng Otomlanceukna Si Otim nga-heureuyan jadi pocong.

Otom seuri maningehkey kagugu. Kaguguku polah kuring jeung SiOtim, nu kacida pisansieunna. Geus kitu mahléos Otom kaluar ti ka -mar bari reumbay cimata,bakat ku kagugu.

Sanggeus leler pok ku -ring nanya ka Si Otim."Lain Tim kunaon arimanéh maké ngabebeng -kang di luhureun sasak?"ceuk kuring ka Si Otim.

"Tadina mah uing téhrék ngaheureuyan ma -néh, saméméh uing asupka kolong sasak, tapi teu-ing timana tadina, ayapocong nyampeurkeunbari muka beungeutna nu

pinuh ku bilatung," ceukSi Otim kituna téh bariluak lieuk sieun aya deuipocong sigana mah.

Poé teu karasa geusmimiti maju ka peuting.Rék balik ka imah, kalahsieun. Padahal biasanamah jam sabaraha ogéludeung, najan kudubalik sorangan.

Rék balik kapaksaménta dianteur ka Otom,untung Otom daékeunnganteur. Bring kuringduaan balik ka imah.

Palebah sasak, radarundag-randeg. Katingaliaya dua pocong nga-belegedeg, katingali tu-tunjuk ka lebah kajadiankuring jeung Si Otimpeuting kamari. Bujurngompod, teu sirikna rékwérwér ngiihan manéh.Na ari jleg téh poconggeus aya hareupeun ku -ring jeung Otom. NajanOtom kasebut wanianogé, ari prakna kitu mahteu burung ngompod.

Teu antaparah deuikuring jeung Otom

lumpat satarikna, barijeung titatarajong.

"Poccoooonnng....!"ceuk kuring méh barengjeung Otom.

Otom sarungna tikait,geblug labuh ninggangkana akar jambu. Atuhpuguh wé biwirna jeding,huntuna punglak sadua-dua.

Engapan ngahegakkénéh, pon kitu deuiOtom nu leuwih ripuhsabab biwir jadi jedingjeung huntu ngurangandua. Regot nginum caihérang nu diasongkeunku emana Si Otim. Keurmiceun kabaluas cenah.

Bari ngararasakeunkanyeri, dipikir dibulak-balik. Enya geuningparipolah ngaheureuyanbatur kitu téh teu hadé.Tungtungna sorangan wénu jadi korban. Meureunceuk batur téh,“Puaaasss... ,koplebok!"***

Anggrek OpatWelas, Juni 2013

Page 27: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

26 Manglé 2436

Baju pulas beu -reun, mérekCrocodile keuranteng diteu-teup sanggeus

dikaluarkeun tina lomari.Karék diistrika poé kamari.Ayeuna éta baju geus rékdipaké deui. Baju juragan,kuring ngalandihna gé.

Baju nu tadi keur antengditeuteup tuluy rap dipaké.Ras nyawang ka jamanharita waktu kuring masihkénéh jadi pagawé, bogakalungguhan satingkatjeung éssélon 3. Ayeuna

mah geus diécageun. Enyaatuda ayeuna mah kuringna gé geus pangsiun. Ari nungaranna pangsiun téhapan sagalana tangtu bakalngurangan. Ti mimiti ka-giatan, tug kana panghasi-lan ékonomi.

Baheula keur jaman bogakalungguhan, sagala kaha -yang kacumponan. Hayangbaju anu mérekna terkenal,kabeuli. Ceuk landian ayeu -na mah branded. Dahar diréstoran mana waé gé geusdicobaan. Ulin ka tempat-tempat rékréasi bari nyuge-

makeun incu, kabéh geuskaaprak.

Tapi sanggeus pangsiunmah, mani asa jauh tinaharepan. Ari nu jadi masa -lahna mah, pamajikankuring anu teu bisa na -rima kanyataan, yén hiruptéh teu salawasna aya diluhur. Baheula mah sagalakahayang kacumponan.Ayeuna loba kakurang, dakuringna gé geus teu bogapanghasilan. Lantaran teubisa narima kanyataantéa, antukna pamajikanngajerit, teu bisa hirup

jiga kieu.Lamun seug disukuran

mah, kuring gé da teusangsara-sangsara teuing.Imah masih kénéh boga.Tanah aya kénéh bagi -keun eun ka anak incu.Tapi naha atuh hirup téhmani asa sangsara-sangsara teuing? Enya, tisaprak pamajikan min-deng ngahutang.Hi..hi..kuring jadi hayangseuri sorangan lamunmikiran nasib kiwari anujauh kanyataanna jeungwaktu harita.

”Pa...Pa...buka énggalPa...!” panto kadéngé ayanu ngetrok. Lamunan anukeur anteng jadi kagareu -wahkeun. Koloyong murupanto.

“Mangga...mangga...késakedap.” Kasampak pa-majikan kuring karékbalik ti pagawéanana.Mani rib-rib ku balanjaan.

“Yeuh..punten Pa..can-dak ka lebet! Mamah beu-rat tatadi ngéngénglékna!”

Kuring nampanan barisup ka jero imah.

“Pa..ari tadi aya nusumping ka dieu ti Bank?”bari diuk dina korsiawahing capéeun tas balikgawé.

“Teu aya. Na aya naonkitu?”kuring nanya barikerung.

“Tadi aya nu nelepon kamamah. Ti Bank badé sur-vey cenah ka dieu. Nyamamah téh rurusuhan wémuru wangsul, bisi kadieu mamahna can uih.”

“Survey? Mémangnabadé nyurvey naon?”

Laaaah, tong sok mu-nafik. Kaayaan ayeuna téhapan urang téh keurbutuh ku duit Pa. Lamunteu nganjuk rék ti manaatuh pangabutuh mamahjeung Bapa?” kituna téhbari léos indit ka kamarrék ganti baju.

Carpon Niknik

Lebaran Taun Ieu

Page 28: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 27

Kuring nu masih kénéhnyekel balanjaan. Ngahu-leng teu ngarti kana jalanpikiran nu jadi pamajikan.

Heuleut sababaraha jamti harita, jalma anu réknyurvey ti Bank téh datang.Kuring keur lalajo tipi dihareup.

“Punten, leres ieu sarengbumina Bu Hajah Enok?”lalaki dedeganna jangkunggedé bari mamawa tas diso -rén.

”Muhun leres. Sarengsaha Yi?”

“Abdi ti bank. Tadi tosjangjian badé nyurvey Pa,”ceuk manéhna daréhdéh.

“Oh muhun mangga. Kalebet heula Yi. Antosansakedap, urang sauranibuna,” kuring masih canngarti geus aya perjangjiannaon antara pamajikanjeung manéhna?

“Mah..mah..” kuringngahudangkeun pamajikannu keur tibra, “Itu aya tamudi payun. Saurna mah nubadé nyurvéy téa.”

Pamajikan hudang. Rapkana baju, bari ditiung.

“Yu Pa, sarengan. Saksianmamah. Pan kedah ayapersetujuan ti nu jantensuami cenah”

“Ké..ké Mah ulah waka kapayun. Bapa téh rada ayaganjelan dina haté. Nakanggé naon Mamah nam-but artos sagala ti Bank?Naha kirang kitu sagala nudipasihkeun ti bapa?”

“Alah..lain waktunanaroskeun!” témbalna barileungeunna ngabentikeuncuruk. “Hayu lah anggurmah urang pendakkan.Karunya ngantosan lami.”

Emh lamun lain bulanpuasa, tatadi gé mani geushayang sahaok-haokeunnyaram. Tapi gusti, kiat -keun abdi tina gogodangalawan hawa napsu.

“Pa..pa... énggal ka dieu,”nu gegeroan ti hareupkadéngé atra.

Jung kuring nangtung,

bari horéam nyanghareup -anna. Gék diuk, marengannu keur ngobrol di hareup.

“Tah Pa, bakal di-ACCcenah. Agunanana mahtanah nu di tonggoh kuMamah téh janten tan-donna. Ayeuna kantunbapa tanda tangan wé.Yeuh sok tawis heula,” pa-majikan daria.

“Ké..ké, punten Yi bapanaros. Si ibu téh sabarahangajengkeunana? Terassabaraha lami ditawurna?”tanya téh.

“Ari ngajengkeun mah150 juta Pa. Tapi, teuterang, naha tiasa di-accsabarahana mah. Sapuluhtauneun,” témbal tukangsurvéy.

“Sok sok Pa, geura tawis.Karunya si Ayina badéangkat-angkatan deui,” barinyonyodor blangko. Trétkuring nandatangan nu di -sodorkeun ku pamajikan.

“Muhun atuh Pa, Bu. En-jing wé aya wartos deuinanya, abdi badé permiosheula. Supados gampil mahmangga siapkeun wé sarat-sarat anu diperyogikeunkanggo kelengkapan admi -nistrasina,” bari sor pama-jikan kuring nyodorkeunamplop, majarkeun téh su-paya di-acc.

Sangeus sémah indit ku -ring pok nyarita, “Mah kadieu sakedap, bapa badénaros. Mamah tos wantunnyandak putusan sosorang -anan badé nambut artos.Apan Mamah gé terangmeureun bapa téh ayeunamah tos pangsiun. Ti manakanggo mayarna? Najanbadé nambut milyaran gétiasa waé, sagala nu kapi -mi lik dijadikeun tandonan.Tapi lebah mayarna badé timana? Yeuh Mah hirupkakolotnakeun jiga urangmah kudu ngurangan hu -tang, supaya teu aya bebanhirup,” kuring ngalelemunu jadi pamajikan, supayateu nempo ka luhur, nempo

batur nu bisa sagala ka -beuli.

“Alaaah, jiga nu bisa waényumponan pangabutuh?Mamah mah masih kénéhloba beulieun Pa, masihkénéh loba pangabutuhlah.” bari indit ninggalkeunkuring.

“Nya rék ti mana atuhmayaranana?” kuring nga-jorowok nahan ambek.“Astagfirulloh apan kuringtéh keur puasa. Tapi ieudodoja, teu bisa dihalang -an. Sajeroning rék sarékeukeuh nu jadi pikiran téhnaha katumpangan naonnu jadi pamajikan téh?Mani resep pisan ka nungaranna ngahutang, barijeung teu mikiran rék timana mayaranna.

Kajadian modél kieu téhapan karék kaalaman taunkamari, basa manéhnanganjuk ka Bank. Témponakudu mayar, karasa lieur -na. Unggal bulan kudupaciweuh jang mayaran.Dina waktu jatuh témpo,apan kudu buru-buru diba-yar bisi kadenda.

Isuk-isuk, pamajikangeus saged dangdan rék kapagawéan. Bari amanat,“Pa kadé éta seuseuheun dijamban tos kénging ngeu -euman mamah, teraskeunnya? Mamah tos kasiangan,badé aya rapat.”

“Mangga, biasana gé kubapa apan, Mamah mahkantun nganggo wé,” tém-bal téh.

Kitu jeung kitu pagawéanunggal poé. Nasib jadipang siunan. Batur sapro -fési gé sarua geus parang-siun, meureunan nasibnahenteu jiga kuring teuing.Tiiseun. Boga budak opat,nu cikal jeung nu kaduageus rumah tangga. Nukeur sarakola kari duaandeui. Tapi di imah téh ti-iseun pisan. Kabéh jarauh,boga kasibukan sosorang -anan.

Enya, nu diajam mah

hirup ka kolotna téhhayang bagja. Adem ayem,babarengan jeung pama-jikan nepi ka pati.

Tapi kanyataanana,beuki kolot téh kalah asaripuh. Sawangan hirup anuraharja moal aya kakurangdeui, bet kalah kieu buk-tina. Henteu kitu geuningnu ngaranna napsu mah,éstu taya watesna.

Kriing...kriiing...sora hpdisada tarik pisan. Biasanaincu nu sok narelepon téh.Bener wé incu ti nu cikalgeuning nu nelepon téh.

“Hallow, Ki..aki..nujunaon? Pasti aki nuju nyeu -seuh nya? Aki tos ngepélteu acan? Aki nuju bébérésdi bumi?” duh éta incumani capétang nanya, ma -ké jeung apal kana kabi-asaan akina sapopoé.

“Euh...ieu Nénéng nya?Muhun aki nuju nyeseuh.Apan si nini nuju ka sakola.Ngepél mah atos tadi. Nganteu acan bébérés. Laleuleus.Apan nuju saum. Nénéngsaum teu?”

“Saum atuh Ki. Teu acanbatal. Apan ku umi badé di-pasihan artos saratus rébupami tamat Ki. Eh ku Akibadé dipasihan sabaraha?Nénéng mah hoyong acuklebaran anu sapertos barbienya ki? Mésérna di Mata-hari gé seueur. Ké pang-mésérkeun ku Aki nya?”

Kagugu. Seuri wé kuringmah, “Oh saum teu acanbatal nyah Nénéng téh?Emh hoyong dipasihanacuk barbie nyah? Muhunké nya ku aki dipangaga -leuhkeun. Du’akeun wé kuNénéng aya milikna nya?Nénéng sareng saha ayeunadi bumi? Umi tos arangkatsareng Abi?”

Bari teu kuat nahancipanon, haté asa kagerihbasa nu jadi incu ménta di-pangmeulikeun hadiahlebaran. Emh geulis, borokeur anjeun, Aki gé lamunhayang ngaroko kudu

Page 29: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

28 Manglé 2436

nungguan paméré ti nunini. Da apan duit gajihpangsiunan kabéh dibi -keun. Aki mah tara nyekelduit. Gustiiii naha nasibkuring téh bet kieu-kieuteuing.

“Ki, halow... Ki...kunaoncicing waé, sinyal awon kituKi?”

“Ah henteu Néng. Aki ayakénéh apan nuju neleponsareng Nénéng,” kuringneger-negerkeun diri.

“Umi sareng Abi mah tos

arangkat ka sakola Ki.Nénéng mah nuju amengsareng Aa sareng si bibi wé.Ki..iraha ka dieu? ApanNénéng badé ulang taun,”ceuk manéhna.

“Ké sareng nini nya.Urang ajak Ninina.”

“Oh muhun atuh Ki. Atosheula nya, ké mésér acuknasareng Nénéng wé nya Ki?Supados tiasa milihan,”ceuk manéhna nandeskeundeui.

Kuring tibang unggeuk,

“Mangga Néng..”Sanggeus hapé ditutup,

sajongjonan kuring ngahu-leng bari teu kuat nahanpiceurikeun, “Hampurageulis, Aki ayeuna mah teujiga aki nu baheula. Lamunbulan puasa téh ngabringmeuli baju lebaran. Milihsakumaha karep.

Baju mérek Crocodile pa-vorit aki gé, tara elat dibeuliwaé. Bet ayeuna mah, iwalti baju nu masih kénéh bisakapaké wé keur engké

lebaran téh. Nu kaciptalebaran ayeuna kuring rékngabringkeun deui incusina marilih baju nu dipika-hayangna.

Tapi nyatana, ngansaukur ngalamun. Komobaju mérek Crocodile, nujadi kahayang can tangtukabeuli deui.

Ayeuna mah kameumeuttéh ngan ukur baju nunapel dina awak.

Teuing iraha kabeulideui.****

"Ah, manéh mah sagaladisebutan. Geus atuh ham-pura urang caliweura. Hayuah, urang latihan."

"Tatadi ogé urang téh nga-jak latihan. Hayu atuh."Témbal Usup bangunambek. "Hayu, hayu."

Geus araya kabéh, derbarudak rampak kacapi téhlatihan. Kabéh geus alampirkompak, bubuhan geus lati-han sababaraha bulan.Harita latihan téh teu patilila kulantaran harita mahngan ukur menerkeunkasalahan anu enggeus-enggeus. Geus bérés lati-hanna, tuluy marulang waéka imahna masing-masing.

Amin ngarasa asa teumubah datang ka sakola téh,kusabab manéhna geus radabisa maénkeun kacapi,mung ari aya kénéh salahsaeutik-saeutik mah wajar,budak karék borojol kénéh.Éta latihan kacapi téh itung-itung ngubaran rasa kuci-wana kulantaran teu bisalalajo pagelaran wayangAsep Sunandar. Mungsabenerna mah dina hatéleutikna, Amin téh nyimpenrasa kuciwa kénéh, sababmanéhna keukeuh pisanhayang panggih jeung KangAsep Sunandar.

Harita, keur Amin di sako-laan jeung Usup mah poétéh kacida panas jeung ca -ang mentrang, mung, ayeu -

na mah geus rubah jadiceudeum pikasieuneun,sigana mah rék turun hujanbadag. Amin lumpat kacidarusuhna, sabab sieun kapegat ku hujan badag.

Hujan turun ngagebrétkacida badagna, wanci étaAmin kapahung pisan. Rékreureuh da euweuh tempatjang ngiuhan sabab disisieun jalan téh ngan ukursawah wungkul, kapaksaatuh Amin lumpat kacidatarikna ngarah téréh nepi diimahna.

Barang nepi di parapatanjalan teu jauh ti imahna,torojol ti belah kidul hijimobil alus anu teu pati nge-but. Kusabab Amin lulum -patan bari jeung teu titinga lian ka sabudeurerunna,Amin katabrak ku éta mobil.

"Jo, turun-turun, tulunganheula itu budak." Omongceuk nu boga mobil kasupirna bangun nu reuwas.

"Muhun, muhun badé.""Jo, teu kunanaon éta

budak téh?" Omong anuboga mobil bari ngan saukurnolol tina kaca mobilna.

"Henteu ku nanaon, Kang.Mung barareuh wungkul.""Sok atuh gancang bawakana mobil, urang bawa kaPuskesmas ayeuna.""Muhun ieu ogé nuju,Kang."

Amin tuluy dibawa kaPuskesmas anu kabeneran

teu jauh ti éta parapatanjalan. "Cep, hapunten tadipun supir tos caliweura."Omong nu boga mobil kaAmin. "Teu sawios bapa,abdi nu kedahna nyuhun-keun hapunten mah. Toscaliweura di jalan." TémbalAmin bari ngarérét kanawajah nu boga mobil éta.

Amin ngarasa reuwasjeung bangun nu teu yakin,sabab anu boga mobil etatéh tetela Kang Asep Sunan-dar. "Ieu téh Kang Asep?"

"Muhun. Abdi AsepSunandar Sunarya ti GiriHarja 3."

"Aduh, Kang abdi téh ho -yong pisan pendak sarengakang téh. Tadi énjing-én-jing téh badé ka sanggar, na-mung tos séép tikétna,janten waé teu tiasa pendak.Nya ayeuna asa kengingnaon téh janten tiasa pendaksareng akang."

"Ouh, hatur nuhun pisanatuh pami kitu mah. Nahageuningan wayah kieunembé mulang. Atos timanaheula kitu?"

"Nembé téh sawangsulnati sanggar, ameng heula kasakola. Kaleresan nuju ayalatihan rampak kacapi, nyaabdi téh ngiringan sarengnyuhunkeun diajarkeun waéku réréncangan dugi kasaalit-saalitna mah tiasangacapi."

"Hoyong diajar kacapi?""Euh. Kantenan pisan

atuh."

"Sok, atuh pami kitu mahngiringan waé ka sanggamaKang Dayat di caket pasar.Kaleresan éta sobat akang.Kanggo biayana mah tongdipikiran, anu puguh mahsing diajar anu bener tur di-larapkeun dina kahirupansapopoé. Kumaha badéteu?"

"Emm... Muhun, hoyongpisan. Hatur nuhun pisansateuacanna."

"Sami-sami. Euh, da ieutéh akang moal tiasa lami-lami. Ayeuna badé teras kaBandung deui. Sing enggaldamang waé. Hapuntennawaé kitu ka kulawargi."

"Oh, muhun atuh. Abdianu kedah nyuhunkeun ha-punten mah, tos ngariri-weuh. Nuhun kana tawis anna muga-muga digen-tosan amal kasaéanana."

"Amin. Hayu ah. Akang tipayun. Assalamu'alaikum."

"Mangga. Wa'alaikum-salam."

Amin kacida bungahna,manéhna bisa papanggihjeung Kang Asep Sunandar,lian ti éta ogé aya anu leuwihngabungahkeun kanahaténa nyaéta ayeuna Amingeus ngiluan diajar ngacapidi sanggama Kang Dayat.Éta élmuna rék dilarapkeunjeung rék diajarkeun kabatur pikeun ngamumulékana budaya Sunda.***

(SMAN 2Tasikmalaya)

Sambungan ti kaca 23

Page 30: Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Page 31: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

30 Manglé 2436

Bungah taya papadana.Kahariwang jeungkamelang ayeuna

mah sirna kaganti bagja.tujuh taun ngadahup jeungKang Danu, karék ayeunaKang Danu boga paniatanrék lebaran bareng di lem-bur. Bareng dina hartimarengan kuring jeung nujadi anak mapag lebarandatang. Alhamdulillah.

Haté mah ti baheula géhayang. Saha anu teu ha -yang dina poé anu kacidasakral pikeun umat Islam,ngumpul ngariung jeung ku-lawarga. Pon kitu deui ku -ring. Sarua neundeunharepan anu pohara.Harepan pikeun babarenganjeung salaki iraha waé. Tapikuring kudu ngarti, kudunalipak manéh. Bonganna.Enya bonganna. Pan geusapal ti béh ditu mula, kuringtéh ngan saukur pamajikannu ngora Kang Danu. Pama-jikan anu ceuk kabéh jalmamah meureun awéwé anunyieun tunggara pikeun pa-

majikan nu kolot KangDanu. Kuring gé sadar. Yénkuring ngan saukur pama-jikan nu ngora anu kudungawayahnakeun manéh,kana naon rupa anu bariskarandapan. Kitu deui dinaurusan waktu. Kuring kudunarima poéan reureujeung -an jeung Kang Danu teu bisairaha waé. Samporét kacida.Dina sataunna bisa kaitung,sabaraha kali tepungna.

Sakapeung nganaha-nahaka diri sorangan. Naha betbogoh ka Kang Danu anugeus rimbitan. Naha betkapentang asmara ku KangDanu anu geus kolot. Ceukbatur mah cenah kuringsérab ku kabeungharanKang Danu. Padahal mahteu kitu. Enyaan kuringcinta ka Kang Danu teumandang harta. Apananbasa tepung munggaran gé,kuring mah apalna KangDanu téh guru di kota anukabeneran keur ka dulurnadi lembur. Tapi mungguhingtresna teu ningali nanaon.

Apan cenah cinta mah buta,meureun kitu ogé anukarandapan ku diri. Kaasihgeus matri, kanyaah geusngaranjah nalar sadar. Ka-suka euntreup na diri hamoilang.

Kabehdieunakeun karékapal. Geuning Kang Danu kalembur téh rék ngontroltanah jeung sawah anukacida legana. Mimitinamah enyaan reuwas sartaembung nepungan KangDanu anu sakeudeung deuijadi salaki. Tapi Kang Danuangger nepungan, malahleuwih remen. Antukna ku -ring léah.

Ari nu jadi kolot?Nyérénkeun sagalana kakuring. Sanajan mimitinateu méréan lamun kuringngarangkep jeung KangDanu. Tapi sanggeus kuringngobrol panjang lébar sartangeukeuhan rék kawin jeungKang Danu. Aranjeunnasapuk, ngan méré kaman-dang kumaha hadé go -réngna lamun kuring jadi

pamajikan nu ngora. Nganari kaputusan mah sagem-blengna nyérénkeun ka ku -ring.

Cinta kuring ka manéhnangéléhkeun sagalana. Kur-ing geus ngaridhokeunwaktu, ogé kanyaah KangDanu anu kacida sam-porétna. Kuring gé ngartipan Kang Danu mah nyekelkalungguhan penting didayeuhna. Teu ieuh teuinghayang ngorék perkara pa-gawéan naon anu sabenernajadi pacabakana Kang Danu.Anu penting keur kuringmah Kang Danu nyaah kakuring ogé ka anak katut ku-lawarga besar kuring.

Sanajan panggih teupuguh waktu. Tara kaleungi-tan komunikasi, unggal poémah sok aya waé manéhnanelepon atawa SMS. Atuhdina sakalieun tepung teh,siga anyar panganténan waé.Totomplokan. Sanajan sokteu pati bébas sabenernamah. Da éta lamun saka -lieun panggih téh sok mawawaé pangawal. Najan enyalamun keur paduduaan mahpangawal gé sok leuwihngarti, cicing wé di kamartukang atawa ngurilingkebon anu Kang Danu.

“Ngajaga kaamanan,”ceuk Kang Danu dina hijiwaktu. Pédah kuringnanyakeun ku naon atuhteu nyorangan nepungantéh.

“Ehm. Muhun nya hilap.Pan akang téh pejabat.Héhé,” kuring sumolondokana lahunan.

“Ah, teu kénging nyariospejabat, Nung. Omat lamuntepung mah euihkeun tahbabasaan kitu téh pokona,Akang mah hoyongsosonoan waé sarengEnung.”

Ti harita mah tara piran -jeunan nanya, sanajan dinaheureuy perkara jabatannaon anu sabenerna dicang -king Kang Danu. Ngan hiji,nu teu weléh jadi bahanobrolan, silih mercayakeuntresna jeung kanyaah sana-

Basa Tarawéh

Geus Lekasan

Ku Nina Rahayu Nadéa

Page 32: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 31

jan arang tepung.Ngagedékeun parasaansangkan kuring tong leutikhaté lamun Kang Danudatangna telat atawa leuirdina waktu anu geus di-jangjikeun. Pagawéan jeungkulawargana tangtu jadi ti -nimbangan utama manéh -na. Satutas ngarangkep kaKang Danu kuring bumén-bumén di lembur batur.Ceuk urang dinya mah ku -ring téh awéwé bagja. Imahagréng, sawah lega, tanah dimana-mana. Enya gé aya dilembur anu jauh kama-mana. Babari lamun hayangka kota atawa balanja mah.Pan Kang Danu geus nyadi-akeun supir katut pemban -tu, pikeun ngawulaankuring. Tinggal nunjuklamun hayang mah. Tapikuring mah teu pati resepsabenerna. Sagala kaperluankeur di imah, mercayakeunwé ka pembantu.

Osok éta gé jalan-jalanngan tara remen. Éta gélamun budak ngarenghikhayang jalan-jalan atawanongton. Tara mikir dua kalisok langsung wé dienyakansarta harita gé langsungindit.

*Teu karasa Tujuh tahun

dipihukum ku Kang Danu,salila éta can pernah KangDanu datang dina poéanlebaran. Paling datangna téhsaminggu satutas lebaran.Paling gancang dua poésanggeus lebaran. Tatanggajeung nu lainna geus padaapal ka Kang Danu anukacida sibukna. Boa kétang,maranéhna geus apaleunlamun kuring jadi pama-jikan nu ngora. Ngan meu -reun perkara éta mah teuwaranieun nanya ka kuring.Da sakapeung sok katangenku juru panon, maranéhnatingkecewis tigharéwoslamun kuring ngaliwat. Tapila mun paadu jonghok mahtara waranieun, malahmaranéhna kacida ngahor-mat ka kuring. Enya

meureun sérab pedah hartakuring ngaleuya.

Geus saminggu KangDanu cicing di imah. Datangka lembur téh nyoranganteu cara sasari jeung pan-gawal. Atoh jeung teu atoh.Perkara atoh mah geus teukudu dicaritakeun. Komobarang manéhna nyaritaseja lebaran bareng. Ari teuatohna, enya asa anéh jeungpangpangna mah karunyaka pamajikan kolot pisa -kumahaeun meureunmanéhna leungiteun.

“Kang, enyaan badélebaran di dieu?” teuinggeus sabaraha kali ieupananya téh ditepikeun.

“Duh siga nu teu percayawaé. Enyaan. Naha ulah kituakang lebaran di dieu?”panonna mencrong.

“Muhun atoh atuh. Tapikumaha?”

“Kumaha, kumaha?”“Muhun garwa Akang?”

kuring tungkul. Teu wasa.Dina nyebut garwa aya nunyeletit kana ati. Ngajeletitpohara. Garwa. Enya pankuring ge pamajikana. Tapi,ah teu kudu dicaritakeundeui kumaha peurihna haté.Da kahayang mah kuring génormal cara batur. Bogasalaki ngan sorangan teudidua-dua, kanyaahna. Tapikapaur téh sieun pamajikankolot datang, ngontrog kadieu. Pan mindeng ayadongéng atawa carita nungalantarankeun baruntak -na hiji rumah tangga pama-jikan nu ngora lantarandiontrog atawa dijorag kupamajikan nu kolot sababgeus dianggap hianat, nga -rebut salaki batur. Hal étapisan anu sabenerna di-pahing. Pisakumahaeunwirang jeung nalangsa ku-lawarga katut anu jadi anak,ningali indung aya nu ngaje-jeléh.

“Nung...” Teu nyoara angger

nyawang lamunan. Enya ayakahariwang anu kacida, pa-majikan nu kolot Kang

Danu datang.“Kang. Sanés alim. Tapi

abdi téh sieun,” kuring beukitumungkul.

“Sieun. Kunaon?”“Sieun wé garwa akang nu

sepuh ka dieu,” sora kuringméh teu kadéngé.

“Tos, tong ngemut nu kitu.Moal ieuh ditéangan réksababaraha bulan gé. Nupenting mah materi. Duitsalilana asup ka rekeningmanéhna. Perkara salakimeunang kasusah mah ge-uning haré-haré. Malahsigana horéameun pisantepung,” Kang Danu hu-mandeuar.

“Akang nuju kenging ka -rerepet?”

“Ah, tong dipikiran. Akangembung Enung jadi paneu -m bleuhan. Pokokna tiwangkid ayeuna akanghayang babarengan di dieu,nepi ka iraha waé oge,” KangDanu nangkeup kuring.Tipepereket. Ngagalémohpinuh ku sono. TangkeupanKang Danu ngeureunkeunsagala pananya kuring anumetet pajurawet.

*Harita tarawéh geus

lekasan, waktu ka kuring ayanu noél ti tukang.

“Aya tamu. Ti pengker titadi ngantosan.” “Saha?”

“Duka tuh da saur BuÉrna nu calik pangpengker -na. Saurna aya tamu kanggéibu penting pisan.”

Gura giru kuring ngudarmukena anu keur dipaké.Leumpang rengkuh ngali-watan jajaran ibu-ibu anukeur dariuk di masjid.Tatan-tatan ngadéngékeunceramah. Gok ka lawangmasjid. Rada ngajenghokwaktu ningali aya nu nga-janteng tiluan. Anyar pi -nanggih.

“Sareng Bu Lastri?” “Muhun. Ke ari sadérék?”

tarang kerung, nengetan nuanyar pinanggih bisi wé anuwawuh tapi kapopohokeun.

“Punten pisan Bu, ngaga -nggu. Dupi Pak Danu aya

kitu?”“Pak Danu...?”“Muhun Pak Danu carogé

ibu.”“Eu... muhun aya. Nuju di

masjid. Hayu atuh urangngawangkong di bumi waéheula, bari ngantosan heulapun lanceuk. Sakedap deuirupina.”

“Duh ibu. Punten pisantiasa teu disauran ayeuna.Peryogi pisan,” omongnasaklek. Bari jeung teu puguhrasa kuring balik deui kajero masjid. Ngaliwatan deuiibu-ibu anu katingali keursiliharéwos. Jep ningali ku -ring datang téh langsungjarempé. Kuring nepunganKang Danu anu keur ngob-rol jeung Pak RT.

“Kang, aya tamu,” kuringhumaréwos.

“Oh,“ sakeudapan ngahu-leng.

“Énggal,” kuring noélleung eunna.

“Enya geus waktunameureun...,” manéhnangagerendeng. Laju cengkatninggalkeun masjid.

Barang kaluar.... Sémahanyar pinangih téa. Rikatnyekel leungeun. Siga nukasieunan.

“Kéla...nanaonan,” kuringteu ngeunah ningali salakidikitukeun.

“Enya sok leupaskeun.Moal kamamana, kuring réknyerah. Percaya ka kuring,”omong Kang Danu tatag.Neuteup nu anyar pinang-gih.

“Nyerahkeun naon ariAkang?” kuring neuteupKang Danu.

“Ibu, wayahna. Bapakkedah dicandak ayeuna.Bongana bapak susu-lumputan waé.”

“Ke...perkara naon?”pananya kuring dibaturanku nyurucudna cipanon teukaampeuh.

“Engké ibu terang ku an-jeun. Ieu sadayana ti KPK.”

“Hampura akang!” Kang Danu nuturkeun

sémah.***

Page 33: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

32 Manglé 2431

Page 34: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 33

Page 35: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

34 Manglé 2436

Saha nu nyalonkeun anggota DPD tiJawa Barat, jinek geus ditangtukeunku KPU. Jumlahna lain saeutik

deuih. Aya 36 calon piliheun masarakat,nu pantes kapilih luyu harepanana. Rupa-rupa kasang tukangna gé béda-béda. Ayati birok rat, seniman, budayawan, tokohaga ma, inohong, tokoh wanoja jeung sa-bangsana. Ngan masarakat sora ngan apalkana ketak jeung pungsi DPD sabenerna?Atawa nganggap sarua jeung ketak DPR?

“Ketak DPD RI sapertos nu asalna tiJawa Barat, mémang teu acan katawis, ku-margi ngawakilan masarakat Jabar,widang garapanana ageung pisan, tapitanagana sapertos nu kirang. Ku kitunaanggota DPD teu tiasa museur keuntarékahna dina hiji widang wungkulatanapi mung ngungkulan sawatarakelompok masarakat, margi "konstituen"DPD mah apan Jabar sagemblengna,” ceukProf. Dr. Karim Suryadi, M.Si.

Nu rék milih tangtu ulah salah pilih.Kitu deui keur anggota DPD. Ku kituna,ceuk panitén politik, Prof. Karim, nunyalonkeun kudu boga niat jadi wawakil

daérah, lain nu séjénna. Ku kituna, calon-calon téh kudu jelas boga kamampuhna.Lantaran, upama geus jadi, anggota DPDkudu pang heulana apal naon nu kajadiandi daérahna. “Kedahna mah mah naon waékajadian di Jabar jeung tumiba ka sahawaé, anggota DPD nu pangpayunnanarékahanana. Tapi kaayaan kieu sapertosnu kirang. Sanés di Jabar wungkul, lumrahdi mana-mana. Conto nu paling gampang,di Papua nu hampir salilana "panas"',rupa-rupa kajadian tumiba, tapi sikepDPD na teu ka kuping. Tentara, pulisi,atawa OPM wé nu remen dicaturkeun téh,”cek ieu Guru Besar Komunikasi PolitikUniversitas Pendidikan Indonesia (UPI)Bandung téh.

Ku kituna, palebah dieu, kapasitas calonpenting kacida. Nu utama, tangtu calonDPD kudu nu leuwih masagi. Dina harti,ceuk Prof. Karim Suryadi mah, nu ngartikana sagala urusan kadaérahan, hubunganpuseur jeung daérah jeung nu leuwih legaambahanana. Kituna téh, lantaran jinisnangarangkul rahayat Jabar nu béda-bédaaspirasi, ideologi jeung kayakinanana.

Béda jeung anggota DPR nu ngan ukurngawakilan aspirasi politik séwang-séwa -ngan.

Lobana nu nyalonkeun, keur masa rakatmah loba piliheun. Ngan palebah milihsaha nu pantes? ahirna mah bakal guman-tung kana ketak tiap calon dina nepikeunkamampuhna. Sanajan sarat nyalonkeunDPD ge nerik (umum), dina harti teu ayasarat husus dina sual kamampuh, tapiProf. Karim negeskeun deui, lain hartinanu asal-asalan. Sahanteuna anggota DPDngawengku sababaraha widang: 1) ka-mampuh neuleuman naon kahayang turkahariwang rahayat di daérah nu diwaki-lanana, 2) neuleuman tata nilai, adat, pa-pagon hirup tur tata cara nu masih dipaké,utamana cara ngungkulan masalah balaréasangkan naon di dipikiran tur dipilampahku anggota DPR luyu jeung kahayang turharepan rahayat di daérah, jeung 3) ka-mampuh teknis, saperti cara nampung,jeung ngokolakeun aspirasi rahayat didaerah jadi undang-undang. “Pan ayanaDPD teh didorong nu kapen tingan nga-jamin keterwakilan daerah dina proses pe-

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.

Héabna nyanghareupan

pilihan wakil rayat

2014, boh DPR-RI, boh

DPRD beuki karasa.

Ngan kumaha ari

héabna pilihan Dewan

Perwakilan Daerah

(DPD-RI)? Naha héabna

bakal sarua? Manglé

nyutat pamanggih di

panitén politik jeung di

antara calon DPD-RI

taun 2014.

Mapag Pilihan DPD-RISaha nu Pantes Jadi Wawakil Jabar?

Page 36: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 35

rumusan kebijakan publik. Ulah dugimasalah tuan rumah PON waé éléh kudaérah séjén. Janten intina kaberhasilanpungsi DPD diukur tina kaberpihakankawijakan nasional kana kapentinganJabar,” pokna.

Hj. R. Ella M. Giri Komala;

Lain Saukur Nampung Aspirasi Daerah

Mancén tugas di Dewan PerwakilanDaerah Republik Indonesia ngawakilan

Jawa Barat, dina seuhseuhanana mah beu-rat kacida. Utamana, dina nguatan pungsiDPD sangkan teu dibéda-beda ti perannaDewan Perwakilan Rakyat. Tilu PungsiDPD, pangawasan, pertimbangan jeung le -gislasi, dina émprona mah, teu aya kaku-atan. “Mémang sakumna anggota DPDgeus ngalakukeun tarékah-taré kah numaksimal. Hartosna, luyu jeung pung sinamah, parantos nyugemakeun hasilna,”ceuk Hj. R. Ella M. Giri Komala, waktungobrol rinéh disela-sela kagiatan resés diJawa Barat.

Pangalaman Hj. R. Ella, mancén DPD-RI, mémang henteu gampang. Sahenteunaaya 154 kaputusan DPD, boh nu patalijeung sual anggaran, boh sual legislasi na-sional gé beunang perjuangan nu maksi-mal. Lantaran, ka wenangan DPDso ra ngan, dina sistem bikameral bisa dise-but kamar kadua. Balukarna, cek ieu ketuamuslimat NU Jawa Barat, loba kaputusanDPD nu ditepikeun ka DPR teu puguh na-sibna. “Sapertosna waé, waktu DPDmariksa pasaratan, saha-sahana nu pantesjadi ketua BPK, sacara obyektif. Kumaha

putusanana? Buktina DPR sorangan, mu-tuskeun nu lain tina pertimbangan DPD.Janten aspék politikna mémang kiatpisan,” pokna daria.

DPD-RI prinsipna mah mémang keurnampung aspirasi jeung kapen tingandaérah jeung masarakat. Ngan hanjakal,deui-deui, kawenangan DPD RI luyu jeungpasal 22D ayat (1) UUD 1945 kawatesanan,nu mung saukur ‘dapat’ ngajukeun RUUsalahsahiji ka DPR jeung teu aya kawenan-gan keur ngabahas babarengan nepi kajadi kaputusan. “Tapi nya kitu, sanaoskawatesanan, margi nyandak aspirasi ma -

sa rakat, keur pribados mah teu janten ha-halang kanggo nepangan masarakatsareng ngiring ngabebenah pamaréntah didaérah, kalebet Jawa Barat, nu mingkindieu mingkin onjoy di tingkat nasional,”ceuk ieu teureuh Sukamiskin Bandunggedé harepan, lantaran dina nganiléy sualWTP (Wajar Tanpa Pengecualian) waé,peunteun pamaréntah Jawa Barat kacidapikareueusanana.

Dirojong Nyalonkeun Deui

Peran DPD dina ngabebenah sistemkatatanagaraan nu kawatesanana, keur Hj.R. Ella lain hartina kudu ditinggalkeun.Malah sabalikna perlu terus diper-juangkeun. Lantaran kitu, cek ieu KetuaKaukus Perempuan Politik Indonesia KPPIJawa Barat ogé, loba nu ngarojong pisandirina sangkan nyalonkeun deui anggotaDPD-RI. Di antarana waé nu gedé ha -repanana téh ti kaum wanoja. “Seueur ro-jongan kedah majeng deui téh, lantaran,masarakat masih percaya ka jalmi nu tos

pangalaman. Saurna ibu-ibu mah, pokonamah langkung saé nu tos pangalaman,“kitu ceuk ieu pimpinan Wilayah MuslimatNU daria, nirukeun aspirasi kaum wanojadi saban daérah di Jawa Barat.

Dina pilihan DPD RI taun 2014, Hj. R.Ella mémang salahsahiji calon ‘incum-bent’. Tina hasil verifikasi KPU, nu asupcalon DPD asal Jawa Barat, kiwari undak.Taun 2009 nu nya lonkeun aya 26, taun2014 mah undak jadi 36 calon. Tina 36calon, tangtu rupa-rupa kasang tukangna.Aya nu asalna ti kader partéy, birokrat,seniman, tokoh agama, ogé budayawan.Keur Hj. Ella, lobana ‘persaingan’ nu ayamatak reueus. Tapi, sanajan loba, ahirna,Insya Alloh masarakat Jawa Barat mahbakal milih nu mampuh jeung deukeutjeung masarakatna. ***

(RH)

Hj. R. Ella M. Giri Komala; Lain saukur nampung aspirasi

Daftar Calon Sementara(DCS) anggota DPD-RItaun 2014 ti Jawa Barat

1. Aceng HM Fikri2. Asep Syaripudin3. Asril Das4. Ayi Hambali5. TB. Dasep6. Deni Jasmara7. Deni Saepul Hayat8. Djumono9. Elang Raja L. Zulkarnaen10. Ella M. Giri Komala11. Eman Suryaman12. Eni Sumarni13. Euis Atikah14. Gunawan Undang15. Hasan Zainal Abidin16. Husni Mubarok17. Julianda Barus18. Edi Parmadi19. Moh. Athoillah Musrjid20. Muhammad Hafidz21. Nace Permana22. Nazar Haris23. Nu’man Abdul Hakim24. Odik Sodikin25. Oni Suwarman26. Ratu Raja Arimbi Nurtina27. Rudi Harsa Tanaya28. Rukman Heryana29. Suhaeli30. Suharna Surapranata31. Syarif Bastaman32. Syifa Hananta33. Tri Wuryantoro34. Unang Margana35. Uu Rukmana36. Yos Faisal Husni

Page 37: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

36 Manglé 2436

MASIH kénéh perkara suwungnaurang Sunda nu kasebut dinabursa calon persidén, atawa

caprés téa. Padahal, réa pisan padahalnanu netelakeun yén boh sacara geografisboh démografis boh politis, Tatar Sundathe kawilang réa unggulna dibanding -keun jeung étnis lian nu lain Jawa. Sacarageografis, apan Tatar Sunda téh pang -deukeutna ka puseur kakawasaan jeungpamaréntahan Jakarta. Sacara démo-grafis, apan jumlah urang Sunda téhkadua ti jumlah urang Jawa. Hartina pa -dumukna leuwih réa manan jumlah pa -dumuk étnis lianna, iwal ti Jawa. Kulantaran jumlah padumukna réa, atuhtangtu nu ngabogaan hak pilih téh réadeuih. Jadi, sacara politis mah TatarSunda téh nguntungkeun pikeun kampa-nyeu. Saha caprés nu bisa meruhkeunurang Sunda, tinangtu baris unggul.

Ana kitu, upama aya urang Sunda nuwani maju, wani nyalon jadi caprés, asanatéh piraku éléh. Saratna, asal aspék politisnu kasebut di luhur téa disanghareupankalawan daria. Kudu aya ihtiar pikeun“meruhkeun” sasama urang Sunda. Teukaci ngan ngandelkeun faktor émosionalwungkul. Pikiran nu didasaran ku rasa“papada Sunda” kudu disieuhkeun. Lainku lantaran urang Sunda leuwih kritis,nepi ka lebah nangtukeun ukuran téh lainetnisna tapi kamampuhna. Lain, lain éta.Tangtu hadé pisan upama boga pikirankitu téh. Tapi pangna pikiran “papadaSunda” kudu ulah dipaké ugeran téh kulantaran urang Sunda mah aing-aingantéa. Jeung pangpangna mah éta sikepgoréng nu teu weléh hayang ngaréng -

kasan waé ka batur nu hayangmaju.Naon sabab pangna tayasaurang gé urang Sunda nu kase-but-sebut di bursa caprés? Tangtuwé ku lantaran euweuh urangSunda anu tandang makalangandi panggung politik nasional turtakarasa ayana boh ku urang Sundaboh ku lain urang Sunda. Naonsabab pangna kitu? Aya adatkakurung ku iga téa, adat-panga-datan anu nepi ka kiwari henteusagemblengna leungit tina diriurang Sunda. Adat nu bisa jadi

mangrupa dadasar kana euweuhna urangSunda nu makalangan tur kadéngéaweuhana sacara nasional. Adat nu hésépisan leungitna téh nyaéta adat nu teuweléh kudu ngajauhan dunya politik. Teukapaksa-kapaksa teuing mah kawasnabakal moal aya urang Sunda nu ancrubkana dunya politik. Sedengkeun aricaprés apan éta mah kulah politik. Pamo-halan bakal aya nu ngajenengkeun alatangawé urang hadé. Jaman kiwari mah bédajeung jaman kamari. Jaman kamari mah,aya sotéh urang Sunda nu jareneng dipanggung kakawasaan nasional bané wépédah kapaké ku dunungan. Aya urangSunda nu jeneng jadi wakil persidén, banéwé pédah kaanggo ku Soeharto nu haritanyekel kakawasaan mutlak. Da lamunkudu dipi lih cara jaman kiwari mahpamohalan aya urang Sunda jadi waprés.Rék teu pamohalan kumaha da puguhtaya saurang gé urang Sunda nu wanimaju. Jajauheun wani nyalonkeun dirimah, boh pikeun cadi caprés atawacawaprés. Jaman kiwari mah jamantarung, jaman “paheuras-heuras geng-gerong”, jaman “goong nabeuh maneh”sangkan anu lian apal saha jeung kumahadiri urang, tur bisa naon baé ari urang.Teu kitu mah lapur, moal diambeuanbatur. Ari “goong nabeuh manéh” apanéta mah lalampahan kaum politisi. Réakaum politisi nu harus goongna, tugpadahal ari ari polona mah kosong. Ari dikalangan urang Sunda, nu samodel kitutéh apan rada hésé ditéanganana. Ku lan-taran nya kitu téa, kana urusan politik téhteu sirikna pacaduan pikeun urang Sundamah. Rék ancrub kana dunya politik,

dipikir dibulak-balik. Cék papatah kolot,dunya politik mah dunya anu kudu di-jauhan, lantaran kotor jeung botrok. Kulantaran kitu pikeun urang Sunda nugugon tuhon kana papatah kolot, pikeunancrub kana dunya politik téh “ngimpi gédiangir mandi”. Éta babasan hartina téh“cadu, baid, kaayaan atawa lampah anudijauhan, ulah nepi ka kaimpi-impikeunacan” cék Ajip Rosidi dina buku Babasanjeung Paribasa Kabeungaharan BasaSunda (PT Kiblat Buku Utama,2005)

Ana kapaksa ancrub kana dunya poli-tik, tara ieuh ngarasa sadar yén dirina téhpolitisi. Antukna, paripolah politikna téhteu ka luhur teu ka handap, ngatung lircalana kurang bahan. Dina sikepna, urangSunda nu ancrub kana dunya politik téhhenteu wani tarung. Tara ieuh waniparéa-réa omong pikeun mertahankeunpamadeganana, sok sanajan bisa jadi pa-madeganana téh teu pati bener. Da apanari dina dunya politik mah lain baé “ke-cakapan” nu dipeunteun téh tapi oge “ke-banyakcakapan”, diukur ku réa henteunangomong. Pangna tara wani paréa-réaomong ku lantaran urang Sunda nu an-crub kana dunya politik mah sok nem-patkeun dirina dina posisi “sufi” atawa“resi”, cék almarhum Setia Permana mah.Padahal ari dina dunya politik ngeu -keuhan gaya “sufi” atawa “resi” mah atuhgeus tangtu bakal moal diambeuan batur.Kuduna téh, cek almarhum kénéh, dinadunya politik mah kudu rada “bengal”,malar diambeuan lian. Kudu ngeunteungka Acéh atawa Papua anu wani “nang-tang” ka pamaréntahan pusat. Acéhngadegkeun Gerakan Acéh Merdéka(GAM), Papua ngadegkeun OrganisasiPapua Merdéka (POM), anu diniatanpikeun nyingsieunan pamaréntahanpusat. Pan teu wudu matih gaya politikurang Acéh jeung urang Papua téh. Pa-maréntah pusat teu weléh nempatkeunurang Acéh jeung urang Papua dina orbitkakawasaan. Kawasna urang Sunda gékudu wani kitu. Tapi kudu didasaran kupikiran lain pikeun misahkeun diri tiNKRI, tapi pikeun ditempatkeun dinatempat nu merenah tur mibanda marta-bat luyu jeung tilu kakuatan Ki Sundasakumaha anu dipedar di awal.***

DI KIWARI MACA BIHARI (12)Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA

(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Ngimpi Gé Diangir Mandi

Page 38: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 37

51

Page 39: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

38 Manglé 2436

Page 40: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 39

Page 41: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

40 Manglé 2436

Page 42: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 41

Panganteur

Gunung Gelap téh pernahna didaérah Cisompét. Keur nu kungsiulin ka daerah pakidulan Pameung-peuk mah geus moal bireuk deui, dakaliwatan pisan. Gunung Gelap téhgunung nu geueum, sapanjangjalan téh rembet ku kakayon nuumurna kolot tur loba kacaritakeunsayangna dedemit jeung begal.Kaayaan geueumanana GunungGelap geus kawentar kamamana,tara aya nu wani ngaliwatsosoranga nan atawa peuting-peu -ting. Geugeumanana horeng ayadongéngna, ieu caritana:

Tatar Pakidulan kawentarsayangna para jawara. Kasak-tén para jawarana kawenatar

kamana-mana, jadi béja sabiwir hiji,élmuna linuhung tur saciduh metusakecap nyata weruh sadurungwinarah téh lain bohong. Karékngadéngé ngaran jeung ningaldedegan ana ogé, geus matakngaleumpeuhkeun jajaten satruna.

Dina jaman baheula béh ditueunbaheula, ti Nagara Pameungpeukaya hiji jawara nu hayang néanganlawan tandingna pikeun ngasahélmu pangaweruh jampe pamakéna.Unggal lembur diasruk, unggalpaguron didatangan. Taya maksudmanéhna liat ti hayang panggihjeung lawannu satata nu bisa mérékanyeri kamanéhanana.

Sabada lembur-lembur sakuliahtatar pakidulan diasruk, éta jawaratéh anjog ka lembur Cisompét.Saméméhna ngadéngé béja yéncenah di Cisompét éta aya hiji

jawara nu geus ngaraja resi. Sabadanepi ka tempat jawara Cisompét,kalawan teu tata teu titi teu basa teucarita manéhna langsung ngumbarpanangtangna.

“Naha enya silaing téh hiji jawarakahot di ieu lembur?”

Jawara Cisompét ukur imut bariunggut-unggutan.

“Montong ngaku jawara pakidu-lan siah mun silaing can nalukeunaing!” kituna téh bari tuluy narajang.

Jawara Cisompét henteungalawan, tapi tuluy ngagiwar tinapanarajang jawara Pameungpeuk,manéhna tuluy nyingkahan panara-jang musuhna nepi ka jauh ti lemburCisompét, ngahaja ti dituna mahsangkan tarungna henteu di lemburnu baris ngarusak atawa matakngabarérang ka nu teu tuah teudosa. Tarungna dibawa ka gunung,nu pernaha rada jauh ti lembur.

Sanggeus nepi ka gunung nu eu-weuh padumuk mah jawara Ci -sompét téh henteu nakisan jeungngagiwaran panajarangna, tapingaladé nan peureup ku peureupna.Tarungna dua jalma teureuh pakidu-lan ieu lain tarung biasa, kawantutarung jawara pinunjul nu kasaktén -na sakti mandraguna. Silihtakis, sil-ihréngkas, silihtonjokna nepi kabuburicakan lir gelap nu nguwak-ngawik langit jeung bebeledugan nungageumpeurkeun urang lembur Ci-sompét jeung sabudeureun gunung.

Langit ceudeum, nu tarung beukiragot. Teu lila breg hujan, nu tarunglain beuki capé, tapi kacirina kalahbeuki campuh. Hujan beuki ngab-greg gedé, hujan angin dordar gelap,

dibarengan dordar jeung buburi-cakanana dua jawara nu keur ngadukasaktén.

Buburicakan jeung dordarna nugalungan digunung téh katémbongku urang lembur mah matakpikaketi reun jeung pikasieuneun.Jawara nu galungan nepi ka peutingteu eureun-eureun tarungna, dordargelapna masih kadéngé nepi ka te -ngah peuting.

Isuk-isuk ti gunung tempatgalungan téh teu kadéngé jeungkatingali dordarna gelap. Lembur-lembur sabudeureunana kapirengsepi jempling pikakeueungeun.Urang lembur taya saurang ogé nuwani ngulampreng ka luar,ngahéphép teu empés-empés. Tapi tiéta gunung taya nu mulang hiji-hijiacan, boh jawara Cisompét bohjawara Pameungpeuk. Urang lemburpercaya, éta jawara téh nepi ka ki-wari masih kénéh sok tarung. Numatak lamun seug pareng hujanangin dordar gelap urang Cisompétjeung sabudeureun gunung éta di-pahing indit atawa ngaliwat ka étagunung, da cenah dua jawara keurtarung. Nya kulantaran kajadian étaogé, éta gunung téh nelah jadi Gu-nung Gelap, nu asalna tina dordarnajeung buricakna gelap ti nu keurtarung ngadu jajaten dua jawarateureuh pakidulan Garut. Ku lan-taran jarang kasaba ku jalma ogé,éta gunung jadi sayangna dedemitjeung begal, matak teu anéh munpareng aya nu ngaliwat kapeutingandi Gunung Gelap kiwari, sok ayakacaritakeunana.*** (Taufik Ra-hayu)

Sasakala Gunung Gelap

Page 43: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Sultan Abdul Fath Abdul Fattah

Gelarna Sultan Ageng Tirtayasa

42 Manglé 2436

Minggu pengker pedaran paran-tos dugi ka nyarioskeun SultanMaulana Hasanudin anu mi-

wurukKa putrana, Sultan Maulana Yusuf

sangkan ngawangun pamukiman-pamuki man anyar jeung muka pasawa-han anyar katut solokan keur ngaduumcaina. Keur tempat panyimpenan cai di-jieun sarupaning bendungan-bendungansaperti Tasikardi. Lian ti keur nyimpencai, ogé jadi puseur pariwisata anu tugtepi ka kiwari jadi pangjugjugan wisata -wan.

Maulana Yusuf nikah ka Ratu Hadi-jah, kagungan putra dua nyaéta PangéranMuhamad jeung Ratu Winaon. MaulanaYusuf wapat taun 1580 dipendem diPasarean Gedé deukeut kampung Kasu -nyatan. Maulana Yusuf digentos kuPangéran Muhamad nu kakara 9 taunyuswana.

Saméméh sawawa MaulanaMuhamad disuluran heula kuMangkubumi. Jaman harita Bantendikulibeng ku tembok bata beureummaké munara kajeun henteu luhur pisan.Sabada Maulana déwasa turta nga-jalankeun pamaréntahan, kacidamerhatikeun ana kana kamekaran agamaIslam, Sultan ku anjeun taat ngajalan -keun agama sarta neuleuman élmuagama Islam. Di saban wilayahngadegkeun masjid-masjid sartangalengkepan sarana keur tempat ibadahanu tumaninah.

Pikeun ngalegaan wilayah karajaanBanten, Maulana Muhamad naluk-nalukeun karajaan séjén, di antaranaPalembang dijorag liwat darat jeungwalungan. Jalan darat mah liwat Lam-pung

Maulana Muhamad WapatDaratna nyalusur walungan Musi,

keur perang campuh, pasukan Bantenkeuna ku musibah, di dieu PangéranMuhamad kabedil tepi ka wapatna.Yuswana harita kakara 20 taun, anomkénéh pisan, Ku kituna serangan kaPalembang kapaksa dieureunkeun,Pangéran Maulana Muhamad dilélér

gelar Pangéran Seda ing Palembang,dipendemna gédéngeun makam ramanagigireun masjid agung Banten. Marengbasa Banten ngajorag Palembang, kapala buan Banten mimiti daratang kapal-kapal Walanda Kusabab Walanda anuadigung adiguna, gedé hulu, atuh puguhpribumi ngarasa keuheul, sebel jeunggeuleuh ceuceub ka sémah anu datangteu diondang téh, ku kituna timbulpacogrégan-pacogrégan. Sajeroning kitukalangan karaton ogé cékcok sabada Sul-tan wapat téh, ari putra makutaPangéran Mafakir Muhamad AbdulKadir anu boga hak narima warisankakawasaan kakara umur 5 bulan. Ku -sabab kitu kapaksa nu ngajalankeun pa-maréntahan Mangkubumi Yudanagarajeung sesepuh katut para gegeden nagara.

Ari Mangkubumi ngajalankeun pa-maréntahan téh diaranggapna wijaksanateuing jeung lemah lembut. Loba nunyebutkeun Mangkubumi téh angkuh,pokona leuwih loba anu ceuceub batananu ngarojong tepi ka ahirnaMangkubumi ditelasan. Padahalsabener na Mangkubumi mangsa haritatéh keur gegetolna dagang jeung sudagar-sudagar asing turta mawa kamajuan kanaperekonomian Banten.

Caturkeun putra Sultan anu tiheulahayang jeneng raja ngaganti SultanMuhamad. Sagancangna kakawasaanMangkubumi Yudanagara dipasrahkeunka ibuna Sultan Mafakhir Nyai GedeWanagiri.

Waktu geus jeneng Mangkubumi,Nyai Gede Wanagiri nikah deui ka ménakBanten anu jeneng anu saterusnadijeneng keun Mangkubumi. Tapi dinangajalankeun pamaréntahan lobacawadeunana.

Para gegedén nagara salawasnapasalia pikir, kusabab kitu tindakananaogé taya pupurianeunana.

Carogé Nyai Gede Wanagiri ahirnaditelasan. Nu nelasanana téh Yuda -nagara. Sultan anom ngaraos sedih, dapuguh dilain-lain ogé éta téh ramakawalon, carogé ibuna. Nyaksiankaayaan anu saperti kitu para pangéranngayakeun riungan di antarana aya

Pangéran Rana Manggala, PangéranUpa patih jeung Pangéran Mandalika. AriPangéran kulon, Pangéran Singajayajeung Ratu Bagus Kidul jeung TubagusPerbangsa henteu hadir. PangéranYuda nagara ngadeuheus ka PangéranKulon, terus unjukan yén sabenerna anupantes jeneng raja di Banten téhPangéran Kulon. Nu ngarojongna diantara na baé Pangéran Rangga Loleta,Adipati Keling jeung Pangéran Wira-manggala.

Ku jalan kitu di lingkungan karatonBanten aya dua kolompok anu bentrok,balukatna para pangéran getreng. Ku-lantaran kitu jadi aya kajadian silih béga -lan pati nu nyababkeun wapatnaPangéran Panji Jayengtilem ditelasan kuPangéran Upapatih, Pangéran Singajayaditelasan ku Ki

Subuh gandekna Pangéran Upapatih.Pikeun mancing Pangéran Kulon supayakaluar, layon Panji Jayeng tilem dipalid-keun ka walungan. Mayitna ditalian kanarakit supaya henteu ragrag ka walungan.Bener kauninga ku Pangéran Kulon, atuhpudidig Sang Pangéran bendu, amarahrongkah, bendu ka lawan-lawana. Tanpangemut heula, sang pangéran langsungmepek balad ngajorag karaton, gerperang sadulur kajadian rongkah. Komosabada sumping Pangéran Ranamang-gala jeung pasukana, atuh nu tarungbeuki ragot, ngan kersaning Alloh sum -ping Pangéran Jayakarta jeung pa-sukanna, anu tarung tutunggulan antarasadrérék jeung sadérék heug diélinganyén kitu peta téh salah, sabab dua kolom-pok téh sadulur sami-sami terahingmaha raja Banten anu kongas adil pala-marta ceuceub kana peperangan sapertikitu, sumawona perang sadulur nungabengkahkeun babarayaan.

Nu raribut kayaning PangéranKulon, Pangéran Singajaya jeung Tuba-gus Perbangsa henteu ditelasan tapi kuPangéran Jayakarta dibuang kaJayakarta salila 4 taun. Sabada karibu-tan di karaton bisa dipareuman kuPangéran Jayakarta, kalungguhanMangkubumi dipasrahkeun ka Rana-manggala. Mangkubumi anu anyar loba

Page 44: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

ngayakeun parobahan jeung terus bebe-nah, nu penting nyalametkeun Bantentina kaancuran nu disababkeun ku pang-gawé urang karaton atawa urang luarkaraton pangpangna campur tangan Wa-landa. Ranamanggala dina kalungguhanwali Sultan, tindakana adil palamarta,wijak sana, salawasna monteng kanubener.

Sajeroning kitu, pamaréntahanJayakata anu kalungguhanana bawahanBanten der ngayakeun gawé bareng jeungWalanda. Hal ieu nimbulkeunkakuciwa an urang Banten. Nya terusMangkubumi Ranamanggala ngutusEyang Rungkin ngadeuheus ka PangéranJayakarta pikeun maparin pépéling su-paya ulah deukeut jeung Walanda anuloba akal licikna. Hanjakalna niat hadéBanten nimbulkeun kacuriga PangéranJayakarta. Kaayaan saperti kitudimangpaat keun ku Gupernur JenderalYan Pieter Zoon Coen anu mémang keurngintip kajadian saperti kitu keurngalaksana keun pulitik adu domba.Pala buan Banten anu biasa digunakeunku Walanda keur kagiatan dagangnajeung Jayakarta gancang dipindahkeunka Jayakarta tepi ka palabuan Bantenjadi tiiseun, kagiatan dagangna turun.

Banten Nolak Taluk Ka MataraKu ayana campur tangan Walanda

anu mindahkeun bandar dagangna tiBanten ka Jayakarta balukarna

Banten jadi mumusuhan jeung VOC.Tapi tetep bandar dagang Banten beukisepi tina kagiatan perdagangan. MalahVOC malik ceuceub geuleuh ka Banten.Kungsi kajadian kapal Cina anu arékmeuli pedes ti Banten ku VOC dipaksakudu dipulangkeun deui . MangkubumiRanangmanggala protes, tapi teudidéngé, VOC tetep supaya kapal Chinadipulangkeun ka nagarana, lamun nolak,arék dilelepkeun ka jero laut jeung VOC.

Januari 18 .1624 Pangéran AryaRanamanggala ngecagkeun kalungguhanMangkubumi lantaran teu damanganbaé. Dipasrahkeun ka Sultan AbdulahMafakir Kadir nu geus dewasa geus man-jing nyekel kalungguhan Sultan. AbdulahMafakir, teu kudu diwakilan deui kuMangkubumi. Tapi sanajan geusmundur, Ranamanggala tetep sokdipénta pamanggihna upama ayamasalah, Sultan masih merelukeunRanamanggala keur jadi panasehatutama.

Awal pamaréntahan Abdul Mafakirdicirian ku timbulna bentrokan-ben-trokan di kalangan pamaréntahan,pangpangna anu ngabaud masalah per-niagaan , pangpangna monopoli perdaga -ngan. Tepi ka kungsi kajadian perang

tanding ,tapi Banten unggul. Sajeroningkitu kajadian ogé bentrokan antara Ban-ten jeung Cirebon. Padalna Cirebonkeur aya diantara dua karajaan, nyaétaBanten jeung Mataram. Cirebon méntasupaya Banten daék jadi bawahanMataram, tangtu baé Banten nolak.

Banten ngarasa héran, kapan Bantenjeung Cirebon téh dulur sakaruhun,sami-sami rundatan Prabu Sri BadugaMaharaja, tapi naha biluk ka Mataram?Banten tetep nolak lantaran ngarasakuat sanajan henteu dibantuan ku Maya -tam atawa ku sing saha baé. Cirebon terusdipangaruhan ku Kumpeni Walanda su-paya ulah méré haté ka Banten, malahkudu dilawan. Bakat ku terus dipangaru -han goréng.

ahirna Cirebon ngarurug Banten anupercaya diri. Kajadian perang antaraCirebon jeung Banten ieu disarebut“Paga rage” ( Kajadian Kacirebonan).

Sultan Ageng TirtayasaTanggal 10 Maret 1961 Sultan Abdul

Mafakir Mahmud Abdul Kadir wapat,diganti ku putuna nyaéta Pangéran Adi-pati Anom Surya. Putra Sultan Ma’aliAchmad (putrana Sultan Mafakir jeungRatu Martakusumah). Pangéran AdipatiAnom Surya gelarna Sultan Abdul FathAbdul Fattah. Sultan Abdul Fath kacidaceceubna ka penjajah Walanda. Remenngajorag Walanda maké cara peranggerilya. Kungsi ngagerilya di daérahAngke Jayakarta. Malah saméméh nga-jorag Jayakarta, Sultan Fath ngagempurheula ti daérah Angke, Walanda ripuhhantem-hanteman digerilya jiga kitumah. Nya terus ngolo, lamun ngeureu -nan ngagerilya terus daék gawé barengjeung Walanda, arék dibéré hadiahcenah. Tapi Sultan terah Banten téhnolak, teu butuh saurna téh, butuh sotéhnagara anu merdeka ti penjajah.

Sultan Abdul Fath tétéla lain ahlistrategi peperangan wungkul, tapi ogékacida merhatikeunana kana pendidikanagama Islam. Di Komplek Masjid AgungBanten digelar madrasah, nga-datangkeun guruna ogé ti Aceh jeungMakasar Sultan miharep jaga bakal lahirpara pamingpin anu taat kana agama,anu masagi dina élmuna. Nu pentingnyaah turta béla ka Banten. Sultanngangkat putra cikalna nyaétaSultan Haji jadi Mangkubumi kadua dinastruktur pamaréntahan , ngarangkep jadiputra makuta.

Tugas putra makuta nyaéta nga-jalankeun sagala rupa pancén di jerokaraton, Ari urusan luar karaton mah di-jalankeun ku Sultan. Pikeun nohagaankaamanan daérah pangpangna daérahAngke Tangerang, Abdul Fath nyokotdaérah Tirtayasa teu jauh ti karaton

Surosowan da maksudna ogé pikeungampangna lamun ngontrol karatonSurosowan.

Ari Sultan Haji sipatna hengker,gampang dipangaruhan ku nu lian,tepika Walanda mah gancangngamangpaat keun kalemahan putra cikalSultan anu hengker ieu. Sultan Hajidiadu domba jeung ramana nyaéta Sul-tan Abdul Fath. Sipat leuleuy Sultan Hajika Walanda, henteu mangaruhan karama na anu tetep geuleuh ceuceub kapenjajah nu dianggapna doim ieu.

Waktu kapal-kapal Banten ditahanku Walanda terusna nahoda jeung awakkapal dituding perompak atawa bajaklaut, Sultan Abdul Fath énggal mepekbalad, nyusun kakuatan pikeun ngalab -rak Walanda.

anu henteu ngagugu kana pamundutSultan supaya Kapal Bantendibebaskeun. Sultan bener-bener amarahlangsung ngawewegan angkatanperangna, dicandak ti Tanahara, Pntang,Tirtayasa, Caringin jeung sabudeureun -ana, Sultan meureup buleud nangtangperang ka Walanda.

Sang putra Sultan Haji nyebutkeunyén tindakan ramana téh gagabah, tanpamusawarah, ramana dijejeleh bébéakanbari meunangkeun Walanda. SultanAbdul Fath bendu ngagugudug ka putraanu

hianat, karaton Surosiowan dijorag,tapi kacida kagéteunana barang kauningayén putrana tétéla nangtayungan Wa-landa. Dibantuan ku pasukan SultanHaji, Walanda ayeuna anu ngajoragSurosowan téh , pasukan Walandadiping pin ku Kapten Franqois Tackjeung Kapten Hartsincia. Pasukan SultanAbdul Fath bisa dilumpuhkeun, sésapasu kan mundur ka Kademanganjeung Tanahara, tapi Tanahara bisa di-rebut ku Walanda. Sultan kacida han-jelu manah sabab Tanahara téh anukacida dijagana supaya henteu bisa di-ranjah musuh. Pasukan Walanda anungarebut Tanahara dipingpin ku KaptenJonker.

Sabada sawatara daérah direbut Wa-landa, Sultan Abdul Fath maréntah kapasukana anu nyésa supaya mundur kaKeranggan. Kademangan diduruk su-paya henteu terus dicicingan ku Walanda.

Bumi Sultan ku anjeun di Tirtayasadiduruk, kajadian ieu narik simpatimasarakat bari jeung ngarasa sedih Sul-tan tepi ka téga ngorbankeun bumina kuanjeun. Tina kajadian heroik ieu SultanAbdul Fath dilélér gelar Sultan AgengTirtayasa.

**Pergerakan Pembangunan Islam diBanten / Dipdikparbud Banten/ HRS**Hanca

Manglé 2436 43

Page 45: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

44 Manglé 2436

Page 46: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 45

Page 47: Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Page 48: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Tuh di ditu, di suku gunung antaraManglayang jeung GunungKareumbi, aya tempat nu kiwari

jadi pangjugjugan. Di dinya, tutuwuhanmangsa baheula nu kiwari karidongeng na, kasaksén deui. Sasatoan nubirat balukar alamna digunasikamanusa, daratang deui. Bajing, careuh,heulang, jeung sajabana nu kungsisirna ti éta tempat daratang deuibumetah deui di wewengkonPangjugjugan.

Wisata Alam Pangjugjugan

manjang keun lalakon. Eta tempat téhperenahna di Kampung Anjun, DesaCilembu, Kacamatan Pamulihan,Kabupaten Sumedang Jawa Barat.“Desa Cilembu nu sohor lantaranhuina, ayeuna langkung di piwanohmargi aya tempat Wisata AlamPangjugjugan,” ceuk Koko, Kepala DesaCilembu sawatara waktu ka tukang.

Lembur PanineunganPangjugjugan, mémang tempat

wisata alam. Ngandelkeun éndahnajeung suburna alam tatar Parahiya -ngan. Ku karep jeung tarékah pihak-pihak nu nyaah jeung mitineung alam,gambaran éndah jeung suburna tatarSunda téh tembong deui, ngajangélék

deui, lain ukur dongéng nu kabaca dinacarita-carita mangsa ka tukang.“Ngalangkungan tarékah Pa Haji Djad-jat, Kampung Anjun sohor, janten tem-pat pangjugjugan,” ceuk Adé Rukmana,

warga Kampung Anjun nu ogé ketuaRT di éta tempat.

Saha ari Adjat téh? Taya lian ti H.Djadjat Suhardja, alumnus Bio logi ITBnu neundeun katineung kana alam

47

H. Djadjat Suhardja, miara alam nyaah ka lingkungan

Desy Idayanti, ngawanohkeun kapunjulan Pangjugjugan

Endahna Tatar Sunda loba nuukur kari dongéngna. Leuweungleng lang, gunung dugul, talagasaat walungan kasaeur runtah.Tapi, teu kitu kabeh, da aya kénéhnu engeuh kana pentingna miaraalam. Tah, di mana éta téh? Naonwaé unggulna éta tempat téh?Wisata Alam Pangjugjugan,jawabanana.

***

Wisata Alam Pangjugjugan

Sésa Kaéndahan Tatar Parahiyangan

Page 49: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

48 Manglé 2436

tatar Sunda. “Bawiraos kedah aya atuhsacangkéwok mah gambaran PrianganSi Jelita téh,” ceuk H. Djadjat Suhardjanu ‘ngageugeuh’ pangjugjugan, waktungobrol bari asruk-asrukan di ‘leu -weung’ pangjugjugan nu pinuh kurupa-rupa tutuwuhan.

Kanyaah H. Djadjat kana alam,medalkeun karepna dina prak-prakanana. Di tengah-tengah sabagi anjalma boga karep jeung kahayang miaralingkungan ukur semet lalambe, H.Djadjat mah, langsung jeung prakna.“Alam téh upami dipiara tangtos jantencukang lantarana karaharjaan kanggobalarea,” pokna.

Tina nyaah kana lingkungan, alamge ‘mikanyaah’ ka manusa. Kitu téh,karasa pisan ku nu dumuk lebakeuntempat wisata Pangjug jugan ge. “Ka-pungkur mah, usum halodo téh tigeratpisan ku cai, ayeu na mah, alhamdu -lillah sumur-sumur ge caraian deui,”ceuk Ade Komarudin basa nganteurMagle aprak-aprakan di Pangjugjugan.Loba nu kasaksen di dinya teh, ka asupngemploh hejona kebon hui nirkum,hui has Cilembu nu sohor ka jauhna.

Pilihan nu ‘ngageugeuh’ Pang -jugjugan, apaleun pisan, mun leuweungkaian, caina ge curcor, lebak ge caian.Nya kitu pisan nu dipetakeun ku Ir. H.Djadjat Suhardja ge. Mambrih lemburteu kakurangan cai, tarekahna téhmiara leuweung nu aya tonggoheunlembur. Tarekah kitu, di antarana, apanngahaja H. Djadjat gé ngajak wargamelak awi di leuweung. Sanggeusleuweung awian deui, cai gé cur-cordeui. “Mangpaat sanésna, warga gé jan-tén langkung sadar kana pentingnamiara alam,” ceuk Adé Rukmana, paga -we Pangjug jugan nu oge RT di eta tem-pat.

Tutuwuhan mawa barokah. Cihujannu ngembrat gunung ahirna mah, di -serep ku akar-akar tutuwu han. Ku carakitu, ngocorna cai ka lebak gé jadimayeng. Cur-corna cai kokocoran nuasalna ti tonggoh, ahirna mah sumebarka mana-mana, nyimpang ka imah-imah, bumetah di lebak-lebak, ngemratakar-akar tutuwuhan.

Pihak nu ngokolakeun Pangjug -jugan, sadar pisan miara lingkungantéh kudu dumasar kana ‘kahayang’alam. Apan, masing-masing ‘pihak’silih untungkeun. Ku lantaran kitu,dina melak jeung miara tutuwuhan géH. Djadjat mah, teu ngan ukur ngalapmangpa at keur manusa, tapi deuih

Sacangkewok sesa endahna Parahiyangan

Alam, barokah keur balarea

Pangjugjugan tempat mekarkeun tutuwuhan jeung ingon-ingon

Page 50: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 49

keur sasatoan nu biasa bumetah dialam. Ku lantaran kitu manuk-manuklaleutik sabangsaning piit bondol, ma -nyar, nyarayang deui. Atuh, kitu deuiheulang nu kungsi pundung lantarankatundung, baralik deui, lantaran ayahakaneun!

Mun sasatoan bumetah deui, tutu -wuhan gé ‘ngariung deui’. DiPangjugjugan, bisa deui nyakseni kupa,jamblang, huni, bihbul, lobi-lobi, kepel,sempur, rukem, ganda ria, harendong,jeung sajabana. Atuh, sabangsaningkekembangan gé jadi hiasan nu nyam-pak di saban tempat.

Pangjugjugan, legana dua puluhlima héktar. Mangpaatna rupa-rupa,lian ti jadi ‘laboratorium’ tutu wuhanjeung sasatoan, ogé ahirna mah jadidaya pangirut keur nu mitineungéndah na alam. Ka dinya gé kitu, loba nudatang, lain waé nu deukeut tapi ogé nuasalna ti jauhna, ti luar Bandung ogé tilua reun Jawa Barat.

Upama éta tempat jadi kajojo, teusing anéh. Lantaran loba jugjugeunana.Nu hayang ngararasakeun deui kaola-han hasil tatanén, kari mesen, dasaperti karédok, lalab-lalaban, jeungsayur-sayuran gé sadia. Bahanna, karimetik ti alam sabudeureunana.

Atuh, mun hayang inum-inuman nu ogé sadia. Karimilih, jus sirsak, straberi, jeungsajabana. Atuh, mun hayangbungbuahan sapérti jerukGarut, manggu, buah, jeungsajaba na, kari metik! “Mehsagala rupi tutuwuhan bohsayur-sayuran, bungbuahan,ogé tutuwuhan sanesna hastatar Sunda tiasa kasaksén dieta ieu tempat deui,” ceuk H.Djadjat bari nuduh-nuduhkeun sabagiantatangkalan nu kaasup geuslangka kasaksén ayeuna.

Di Pangjugjugan, hasiltatanén jeung hasil ingon-ingon, diolah jadi industri‘rumah makanan dan minu-man’. “Tapi, tantos upami di -olah gé ngalangkungan caraanu bénten,” ceuk DesyIdayanti, alumni IPB nungokola keun éta tempat.

Cara ngokolakeun alamkawas kitu, mawa barokah.Mangpaatna, lain ukur keurpihak-pihak nu ngurus étatempat tapi deuih keur warga

sabudeureunana. Konsép wisata alam,jadi cukang lantaran wargasabudeureunn ana gé ngararasakeunmangpaatna. Geus puguh nu jaditanaga gawé di lingkungan éta tempatmah, tapi deuih keur pihak-pihak séjénnu teu sacara langsung ilubiung didinya. “Seueur nu sumping ka dieu,hartos na ogé janten pamuka lawangusaha kanggo urang dieu,” ceuk Ade.

Di mana atuh Pangjugjugan téh?Mun muruna ti Bandung, bisangaliwa tan tol Cileunyi, bisa ngaliwatka Rancaékék, terus mengkol kaJalan Parakan Muncang, terus majunepi ka parapatan Warung Kawat. Didinya gé aya Plang Pangjugjugan nuperenahna kenca eun jalan. Atuh,mun ngaliwat ka jalan séjén, kaluar titol Cileunyi téh bisa terus muru kaTanjung sari. Ti dinya masih kénéhneruskeun lalampahan nu muru kaSumedang, saterusna bisa anjog wéhka parapatan warung Kawat. Di dinyabakal katingali Plang pangjugjugannu perenahna katuhueun jalan, tidinya neruskeun lalampahan kira-kira dua kilo méter. Mun, disorang tiBandung, bisa nepi ka dinya téhcukup ku waktu sajam nepi ka sajam

satengah (upama lancar mah).

Lalakon PanjangPangjugjugan teu bisa raket tumali -

na jeung lalampahan panjang kahiru-pan H. Djadjat Suhardja. Ieu urangBandung lulusan Biologi ITB téh, tibaréto kénéh boga angen-angen raketjeung alam. “Malih aya kahoyongupami gaduh rorompok gé hoyong dileuweung,” pokna nyo réang mangsa katukang. Kahayangna kitu téh, taun1980-an. Bisa jadi cenah, lantaran élmunu pungsina gé tumali jeung kahirupan,tutuwuhan jeung sasatoan. Dinasajeroning ngulik élmu tutuwu hanjeung sasatoan, apan remen ngadéngé,cenah, tatar Sunda téh éndah jeungsubur kacida. Tapi, dongéng nu nepikana pangdéngéna téh remen patojaiahjeung kanyataan. Apan, buktina mahpadumukan gé teu sing matak tingtrim,lantaran lingkungan alam geus ngala-man rupa-rupa pang robéda manusa.

Basa H. Djadjat sina daptar kapausahaan Perkebunan ku emangna,kalayan dibéré ‘kete belece’ atoh kacida,lantaran hayang téa cekel gawé nu rakettumalina jeung tutuwuhan. Ngan, ka-hayangna téh teu kabiruyungan ku

milik, lantaran éta PT téhgeus narima jalma sejen.“Harita mah, memang ku-ciwa!” pokna mesem.

Saterusna, horeng‘kagaga lan’ mangsa katukang teh mawa barokah.H. Djadjat kiwari,sadarpisan, nu diangen-angen kudirina can tangtu laksana.Tapi, lain hartina gagalpamaksu dan. “Mung, Allohmah Mahauninga, nukaraosna gagal téh, horéngjanten cukang lantaran tiasangalalakon dina widangsanes,” pokna.

Lembur Pangjugjugan,sohor ka jauhna. Jadi tempatpanyabaan keur rupa-rupakapentingan. Di dinya, bisanyenangkeun haté, biasa jaditempat atikan, jeung sajaba -na. Ngan, najan jadipangjugjugan, pihak nungokolakeun éta tempat géteu poho ka lingkungan nupangdeukeutna. Urangdinya, urang Anjun bisangararasakeun mangpaat na.*** (Ensa/Nay)

Page 51: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

”Hh hh …, hduh phunten, A!””Ndék ka mana, Cid mani sese-

leké?””Bhadé kha pawon hA.””Ku naon mani rénghap-ranjug

kitu?””Hentheu Encid mah rénghap-

rénghap wungkul, A chaphé. Badéngaleueut heula ah manawi aya caientéh manis di pawon.”

”Aya tuh caina dina émbér, entéh -na di warung Kang Ujang Sulaémi, haha haah …, manisna mah néwak ucingKang Rohimid wé anu bikang pan simanis lin ngaranna téh …? Ha hahaaah.”

”Aa mah meni teu aya kanyaah kaEncid téh! Kumaha upami Encid ka-turelengan séépeun napas?!”

”Hé hé teu kukumaha manéh ka-paéhan mah ngajongkéng wé teu usik-usik.”

”Heuh kaduhung teu ka bumi Uwawé nembé téh ah Encid mah!”

”Naha?””Di Uwa mah cai entéh manis téh

sok sayogi waé saemuk ngajagrag dinaméja.”

”Na keur naon mani kudu ku citéhmanis waé, Cid?”

”Ih cai entéh manis téh saé pisankana napas, A! Tah Encid téh ayeunanuju séépeun napas.”

”Wuah pamohalan, Kencid nu aluskeur napas mah hawa, siah, oksigén!Tas dipaké naon atuh napas manéh betbéak sagala?”

”Séép dianggé lumpat nembé téh,A.”

”Lumpat?! Latihan maraton?””Sumuhun, sanés.””His baku ari geus teu paruguh téh!

Heueuh atawa lain?”

”Sumuhun dianggé lumpat nang-ing sanés latihan maraton Encid mahlatihan maén catur sareng Si Blék rayiCeu Mancung.”

”Ceu Sukaénih, Kencid!Kadéngéeun ku jinisna mah sok ngam-bek siah disebut mancung téh da sidikdemés manéhna mah.”

”Da Si Blék ogé nyebatna Ceu Man-cung.”

”Heueuh sok wé ari hayang porocolmah, tuh Si Blék ogé unggal nyebutCeu Mancung unggal dijenggut kulanceukna nepi buukna porocol kitutéh!”

”Iyy!””Lain da di mamana ogé anu lati-

han maén catur mah carimekblek, Cid.Ari manéh naha maké jeung lumpatsagala?! Tuh Kang Solihi ogé jeunglayanna, Aki Suhanta maraénna téhsok nepi ka pakuranteng ramat lancahkana sirahna bakat ku arantengparoho kana nanaon.”

”Rupina Kang Solihi sareng AkiSuhanta mah teu aya nu ngaganggu,A.”

”Heueuh bener euweuh da dua-nana ogé pada-pada duda jeung saruapangsiunan, jaba teu baroga budakleutik.”

”Teu aya hayam deuih panginten.””Naon patalina maén catur eujeung

hayam?””Apan Encid sareng Si Blék nuju

latihan maén catur téh nu ngagang-guna hayam, A, mangka nuju mayu-nan turnamén catur érté ieu téh.”

”Iraha?””Sasih payun.””Aa mah nanyakeun latihan maén

caturna iraha sotéh.””Tadi tabuh salapan.”

”Dalapan sakitu mah!””Da jempol Encid mah géhgéran, A

upami nilep hiji, nilep duanana. Tuh.””Tuluy?””Sumuhun sakieu wé salapan téh,

tah!””Latihanana, Cid! Tuluy kumaha?””Ngaharuleng wé Encid sareng Si

Blék téh mayunan papan catur ….””Dhhh tong diomongkeun nu kitu

mah da Aa ogé nyaho nu maraén caturmah sok tingharuleng!”

”Nyarioskeun naon atuh?””Pan maén caturna téh diganggu

hayam, kumaha caritana?””Ah teu sasauran nanaon, A.””Saha?””Hayam, ujug-ujug kecok waéh

kana pion Encid. Rupina mah pendulpion téh disangka siki jagong wiréhpulasna konéng. Beretek dicandaklumpat, disieuh-sieuh bari dibeberiktéh ku Encid sareng Si Blék lumpatnawuwuh tarik, malih sareng ngagarapaksagala hiber ka kebon sampeu MangEngku.”

”Mangku naon?””Mang Engku, A carogé Bi Ros-

nasih nu kantos riributan mundutdipirak téa ning.”

”Tuluy kumaha?””Teu cios papirak da kabujeng

dilelemu ku Ustad Adéng Soma, ’Singnyaah ka turunan’ saurna …, éh Aa téhnaroskeun Mang Engku naroskeunhayam?”

”Ah kumaha manéh wé ngablam-blam kainyah! Da Aa mah teu keurcapé tas ngabeberik hayam jeung teuhayang nginum citéh manis.”

”Deuh ngawartosan atuh, A supa-dos teu nyangkolong kana waktos!”

***

50 Manglé 2436

Latihan Maén CaturKu Budi Riyanto Karung

Page 52: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Duit, Oh Duit!Kurang-kurangna ati-ati mah niténan duit

keretas ayeuna matak cilaka sabab réa nusarimbag lamun ditingali saliwat mah.Mangkaning pangajina ganjor pisan.

Geura, duit sapuluhrébu kelir beureum téaméh sarimbag jeung saratus rébu, angotlamun ukur nilik kelir atawa angkana mah.Apan angka dina duit mah teu toat kanapalanggeran basa Indonésia. Muhun, apansaur palanggeran mah angka rébuan téh kedahnganggo titik, upamina 10.000, 5.000, 2.000,sanés 10000, 5000, 2000. Abong duit kawasanya?

Duit sarébu pérak deuih nu sok saru jeungduit duapuluh rébu nu ukuranana asa sarua.Geus puguh deui duit palsu mah, matak picila -kaeun pisan, pangpangna lamun ti peuting.

Siga nu kaalaman ku sorangan sababarahakali kapalingan ténjo ku pangaji duit nalikaider-ideran balantik leuleutikan ti peuting.

Harita téh di Terminal Leuwipanjang,supir angkot nu diuk ngaréndéng jeung ibu-ibu jajan ka kuring. Sabada mulangan, kuringngingkig deui. Teu kungsi lila aya nu nyalukan.

''Mang, ari artos nu ti pun lanceuk tadi téhsabaraha?'' si ibu téh horéng nu diuk gigireunsupir, pamajikanana pastina gé. ''Lima rébu!''pok téh da enya téténjoan kuring mah sakitu.''Cik tingali deui da duarébu,'' ceuk si ibu, di -tingali téh enya wé dua rébu.

''Éh, muhun dua rébu manawi téh limarébu,'' cékéng téh. ''Yeuh, pulanganana, kuduati-ati Mang!'' ceuk si ibu bari ngasongkeunduit pamulangan ti kuring. Puguh wé kuringnganuhunkeun pisan kana kahadéan si ibujeung salakina nu bélaan ti ngudag-ngudagmalikkeun duit nu lain hakna.

Ras kuring gé inget sababaraha minggu katukang, sarua deuih ti peuting, harita téh ayabudak calo di Gang Ijan jajan. Jajanna duarébueun. Solongkrong méré duit dua lambar.Pamikirna meureun duit ciples Rp 2.000,jongjon ngawangkong jeung baturna.

Ana disidik-sidik ku kuring, duit téhpanga ji sawelas rébu. Salambar sapuluh rébu,salambar deui sarébu. Puguh wé matak un-tung mun langsung disakuan téh. Ngan teuhayang kitu peta da moal matak jamuga,dibalik keun deui wéh. Emh, éta mah juraganpréman nganuhunkeunana gé teu siriknanyembah!

Sakali deui mah méhméhan cilaka. Masihdi Gang Ijan, aya awéwé jajan, peuting deuih.Jajanna duarébueun. Sangkaan kuring duittéh sapuluh rébu da nu disidik-sidik téh angkaenolna anu mani siga sapuluh rébu. Nya di -pulangan ku duit récéh ditungtut diitung. Barikitu téh kuring dak dumadak malikan deuineges-neges duit ti si awéwé téa da rarasaantéh aya nu nitah kana haté. Ari pék téh benerwé kaliru da duit téh lain sapuluh rébu tapiduarébu.

Abong awéwé lieur, nu dagang salahmula ngan téh angger wé namprak lain buru-

buru ngabéjaan salah. Hadéna wé kuringburu-buru sadar. Duit, oh duit! ***

Féndy Sy. Citrawarga,Jln. Cibolérang, Gg. Bagja, Bandung

NgéndongIsuk-isuk kénéh geus saged. Disampeur ku

Mang Adang, emang kuring. Niat dék mondokdi Si Uwa.

Disatengahing jalan...“Susuganan wé atuh milik téh alus.” kitu

gerendeng Mang Adang bari ngusapanbeuteung na. Kuring mah ukur mésem wéngadéngé kitu téh.

Tapi ari dipikir-pikir mah aya benernaogé. Beuteung kuring gé karasa rada protésménta eusi. Jigana capé ku lalampahan jauhmapay-mapay lamping.

“Yu ahhh... buru leumpangna.” MangAdang ngarurusuh kuring supaya ngaganca -ngan leumpangna.

Kira satengah jam geus nepi ka nu dituju. “Bagéa... jam sabaraha di lembur?” Wa

Ijah muka panto.“Enjing-enjing, Wa.” témbal téh.“Lahh... kabeneran... aralus milikna...”

ceuk Wa Ijah bari ngasongkeun nangkasanggeus di jarero. “Lumayan tah, tadi ngaladua siki di pasir.”

Mang Adang mah kusabab keur laparpisan, teu basa-basi deui langsung muraknangka.

“Ambuingg... meuni seungit kieu...” baricacamuilan.

“Kadé, Mang... pan can emam.” kuringngawawadianan.

“Laaah... kawas ka budak waé ujang mahka emang téh.”

Hengkop atuh sujang.” Wa Ijah nga-sorkeun nyiru eusi nangka. Kuring miluanngeureut najan asa-asa gé.

Teu karasa, bakat ku lapar jeung hanaang,nangka téh béak. Pang-pangana mah ku MangAdang.

“Ari éta hiji deui baé dipurak?” MangAdang nuduhkeun kana nangka nu hiji deui.

“Iihhh... hengkop waé, ngan rada sumogolkénéh nu éta mah.” Wa Ijah ngasongkeunnangka nu hijina deui.

“Wios lah...” bari terus murak. Cacamuilandeui jiga tadi.

***Isuk-isuk kuring hudang. Basa ka cai

ngadéngé anu keur humaregung. Kuringngadedempés, ngadédéngékeun.

“Haduuhhh.... Haduuhhh....” sora MangAdang humaregung.

“Ku naon mang?” bari ngetrok pantokamar cai.

“Haduuhhh.... ieu...” teu kebatngomongna.

Wa ijah mah ukur nyéréngéh ningali kitutéh bari gogodeg. “Dék teu kitu kumaha atuh,nangka sumogol didahar. Jaba soréna dahar

jeung cowél sepi.”Leuh... karunya teuing Si Mamang...

Atep Suryana-Malabar

Sarung LesangBulan puasa taun kamari, pisaming gueun

deui ka lebaran, saméméh kuring ‘mudik’ kalembur, kuring téh dibéré hadiah ku dunu -ngan, baju koko jeung sarung dua. Nu hiji mahsarung Cap Padi nu bahanna tina katun, tapicorak jeung warnana téh ngolot. Ari nu hijideui mah bahanna téh tina nilon atawa tinabahan sintetis anu lésang, ngan pédah corakeujeung warnana ngora atawa cerah, sarta di -sablon maké corak Samarindaan. (nyameureun kasebutna téh sarung samarindapalsu lah). Tapi sok sanajan kitu kuring resepkana éta sarung téh, kusabab warnana nucerah. Unggal solat ka masigit teu weléh di -papaké waé éta sarung téh.

Dina hiji waktu, Magrib harita téh, sigasasari kuring ka masigit rék solat berjamaah.Biasana mah kuring téh tara poho osok makérangkepan calana pondok atawa kolor. Tapiharita mah éstu ning bener-bener poho, ukurmake ‘CJ’ wungkul.

Datang ka masigit bet teu ku henteu, kuMama Ajengan kuring téh dititah ngaimaman,ngawedean anjeunna anu nuju karaos nyericangkeng cenah! Nya daék teu daék, kuringmaju jadi imam.

Dina roka’at kahiji mah lancar, euweuhgogoda atawa gangguan nanaon. Tapi dinarokaat kadua, sarung kuring nu lésang téa dinapalebah beuteung karasa ngendoran, arékudar! Kuring jadi tagiwur, sarta ngarasa paursok sieun sarung morosot. Kapaksa waé leu -ngeun kénca kuring nahan sarung. Atuh solatogé jadi teu pati husu deui, da pikiranana ingetwaé kana sarung nu rék udar. Tapi allham-dulillah, rokaat kadua ogé lancar nepi karéngsé tahiyat awal.

Tapi asup rokaat katilu, waktu ku ringcengkat atawa nangtung tas tahiyat awal,sarung kuring téh bener-bener morosot!Ngalumbruk di handap, dina palebah suku!Rikat kuring ngarawél sarung bari cingogo!Jelas wé atuh... solat kuring téh batal! Kuringngaléos arék ka tukang, bari saméméhna méréheula ‘kode’ atawa ‘isaraha’ kanu aya ditukangeun kuring sangkan ngagenti jadiimam. Kabeneran nu aya di tukangeun téhMama Ajengan pisan. Nya anjeunna anu jan-ten imam ngagenti kuring.

Ari kuring mah harita téh langsung kaluar, arék balik, rék nuluykeun solat di imah!Teu kuat nahan wiwirang! Kadéngé wé baru-dak nu marilu solat berjamaah di jajarantukang tingcikikik nahan piseurieun. Atudakabayang, basa sarung kuring morosot téhmeureun orat alias ‘buj-buj’ kuring ka mana-mendi! Mangkaning apanan harita téh kuring -na ukur maké ‘CJ’ (alias calana jero)wungkul.*** Garsel, Juli 2011 (mapag sasihRomadon 1432H)

Agus B. IrawanKp. Cisarua RT 02/16 Désa Neglasari

Cisompét – Garut Kidul

Manglé 2436 51

Page 53: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

SusukLilis: “Nung, manéh pernahnyoba dipasang susuk?”Enung: “Pernah. Dipasangdina biwir jeung dina pipi.”Lilis: “Nyeri henteu?”Enung: “Nya henteu atuh! Dasusukna ogé leutik jeung ipis.”Lilis: “Oh kitu? Tapi urangmah hese dipasang susuk téh.Teu bisa asup.”Enung: “Piraku? Susuk naonnu dipasangna?”Lilis: “Susuk katel, tina almu-nium.”

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

Cihampelas Kota Bandung

PelitOding jeung pamajikananarék bulan madu ka Bali. Tilupoé saméméh indit, Odingtatanya heula ka pagawétravel ngeunaan tarip hotél-hotél nu aya di Bali.Oding: “Dupi nu pangaosnalima ratus rébu sawengi, hotélnu kumaha?”Pgw. Travel: “Hotél bintangopat.”Oding: “Upami hotél nu sara-tus rébu sawengi?”

Pgw. Travel: “Hotél malati.”Oding: “Wah, ararawis geu -ning. Teu aya nu kirang ti duapuluh rébu, nya.”Pgw. Travel: (Mimiti keuheul)“Nu haratis gé aya Pa, asalkersa wéh.”Oding: (giak naker) “Tah tahgeuning… éta hotél nukumaha?”Pgw. Travel: “Hotél Prodeo!”

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

Cihampelas Kota Bandung

S.Krup (Sarjana Korupsi)Sangkan Indonésia jadi na-gara korup nomer hijisadunya, Prof. Dr. Kabayan,MH. ngabogaan rencanangadegkeun hiji pagurol nungabogaan ajen skala interna-sional Program Studi TeknikKorupsi (S1). Mata kuliahkeahlian nu bakal diajarkeunkamahasiswa diantarana;Pengantar Korupsi, BudayaKorupsi, jeung Prilaku Korup -si, Sistem Manajemen Korup -si, Teknik PengembanganKorupsi, Teknik Bertahan diLapas, jeung Kapita SelektraRekayasa Hukum. Gelar nu

bakal dipibanda ku lulu-sanana nyaeta S.Krup (Sar-jana Korupsi). Anapon tempatmagang, Kantor KementrianKeuangan, Kementrian Pen-didikan, BUMN, KementrianAgama, kantor Pemda jeungkantor DPR/DPRD.

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

Cihampelas Kota Bandung

Ngaran nu AdanNyai : Apal teu saha ngarananu sok adan dina TVRI BAN-DUNG?Udin : Teuing atuh teu wawuhuing mah, saha kitungaranna? Nyai : Nya Mang SAAT atuh!Udin : Naha beut apal geu -ning?Nyai : Geuning sok aya tulisankieu SAAT ADAN MAGHRIBUNTUK BANDUNG DANSEKITARNYA…

Herdin MulyanaJl. Astana Anyar No. 111

HeureuyAdina: “Leres kitu Indonésiatéh kalebet nagara Aséan?”Lanceukna: “Nya leres.Kumaha kitu?”Adina: “Geuning hawanamani panas kieu?”Lanceukna: “Naon hubu -

nganana kitu nagara Aséansareng hawa panas?”Adina: “Pédah wé geuningmobil mah di-aséan teh manitiis.”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42

Bandung

Boro AtohYudi: “Maneh daék jadi peranpengganti adegan panas?”Baban: “Daék pisan! Karesepuing éta mah.”Yudi: “Nyaan?”Baban: “Bener. Nu pentingmah duitna téréh cair keurlebaran yeuh.”Yudi: “Tadi aya sutradaranénéangan jalma nu daékmerankeun diséblok ku caipanas ngagolak.”Baban: “Ah embung. Sugantéh lain adegan panas kitu.”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14

Bandung

Tara KaliwatAdin: “Kira-kirana pangarangBarakatak sok meunang THRtara?”Adun: “Tara kaliwat atuh.”Adin: “Sabaraha éta téh?”Adun: “Ih ceuk sayah ogé,tara, kaliwat.”Adin: “Maksudna tara dibéréalias kaliwat?”

Page 54: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Adun: “Tah geuning ngarti.”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14

Bandung

3 APa RW: “Jang, saha ngaranlanceuk Ujang anu lalaki téh?”Budak: “AA.”Pa RW: “Ari Ujang nyebut kalanceuk téh jadi kumahaatuh?”Budak: “AAA.”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42

Bandung

Teu Beunghar WaéIjar: “Bohong ah nu majar -keun cenah lamun daéknyekel terminal matak beung-har téh?”Banu: “Kumaha kitu?”Ijar: “Uing geus tilu poényekel terminal teu jadi be-unghar, kalah cangkeul wéjeung panas.”Banu: “Na nyekel naonnakitu?”Ijar: “Nyekel pagerna, nyekeltihang wangunanana.”Banu: “Abong nu keur lieur.Nyekel sotéh lain dicekelan,tapi jadi jeger.”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42

Bandung

Gara-garaEmen : Geus batal can puasa?Adul : Batal tadi isuk-isuk,gara-gara modol…Emen : Har naha,da modolmah teu ngabatalkeun kanapuasa...Adul : Apanan modolna baringopi jeung udud..Emen : Euuhh!!!

Herdin MulyanaJl. Astana Anyar No. 111

TungtungNu garering keur ngantayhandapeun tihang listrik.Saurang-saurang naék kalistrik. Tapi anéhna mun geusnepi ka luhur sok seuri. Mala-han aya nu ngagak-gak sagalabari tarurun deui.

Saurang doktér panasaran…,nya manéhna milu naék kanatihang listrik. Barang nepi ka luhur tihanglistrik, aya tulisan kieu:"Tah ieu téh tungtung tihanglistrik, mun hayang nyahomah!!!”si dokter langsung nyakakak…

SuryanaJl. Kebon Kopi 111 Cimahi

SaliwangUdin : Sabaraha domba anuieu?T. Domba : Jalu!Udin : Tobbaaatt! mahalning!!!

Muhammad RidwanJl. Pecinan 15 Cicalengka

Lauk HiasUni : “mah, nyungkeun artoslah.”Mamah : “Kanggé naon?”Uni : “Badé mésér lauk koki,kanggé hiasan di tengahimah..”Mamah : “Pan akuariumna géteu gaduh, badé dipelakeundina naon?”Uni : “Dina galon dispénsérwé, wios da sami aya caian..”Mamah : “Eeuuhh..!!!”

Muhammad RidwanJl. Pecinan 15 Cicalengka

SimalakamahYeuh jang, buah simalakamatéh mun ujang meuli, ujang kuemang di gebug ku kiloan,mun ujang teu meuli, kuemang dihabek ku rancatan!Sok rék milih nu mana? Ha-hahaha…

SuryanaJl. Kebon Kopi 111 Cimahi

Hadiah LebaranKabayan: "Rék méré hadiahlebaran naon keur kami I -teung?"Iteung: "Tenang Kang.Kopéah, sarung, kaméja,sendal, sajadah, jeung sajaba -na geus aya, kumplit!"Kabayan: "Nyaan nyanéh mahhébat Teung. Pamajikanakang yang amat perhatian

sama salaki. Cikan, manakami nénjo?!"Iteung: "Cig wé cokot ku sora -ngan di Pasar Baru!"

Féndy Sy. CitrawargaBandung

Wani-waniDodo : “Kumawani ulin kadieu siah! Saha manéh?”Ibro : “Tah éta masalahna téh,abdi nyalira teu apal saha ariabdi!”Dodo : Euuuhhh!!”

Amelia CahyatiJl. Cicukang 76 Bandung

HileudIbro : “Manéh apal hileud cauteu?”Sujang : “Apal, na kumahakitu?”Ibro : “Nya, syukur wé ari apalmah..Sujang Olohok…

Amelia CahyatiJl. Cicukang 76 Bandung

OtakIcih : “Bapa abdi mah jagoan,pami pidato tara nganggomic.”Omri : “Bapa uing komo, taramaké teks…”Juju : “Nya jago kénéh bapaabdi atuh! Tara maké otak!!!”

Ratnasari N.Jl. CIenteung No. 23

Tasikmalaya

CigaNyai : “Aa iihhh… dinten ieumah katingalna imut pisanciga orok.”Omo : “Masa sich?”Nyai : “Muhun a, ciga orokbabi.”Omo : “Anjrit téh...!!!”

Ratnasari N.Jl. CIenteung No. 23

Tasikmalaya

Ngarah Salsé- "Neda sih hapunten tinasamudaya kalepatan, nyaNéng!" ceuk si Ogin ka NéngMia nu geulis manis nuhérang méncrang bari

ngasong keun leungeunnamani nyolongkrong. Kitunatéh bari nyipta-nyipta dampalpanangan Néng Mia nu lemessiga nu karasa lebaran tauntukang.+ "Lebaranna gé teu acan atuhKang Ogin?"- "Wios ngarah salsé!"

Féndy Sy. CitrawargaBandung

DikurudDadap: “Déwék mah ari ngali-wat ka astana ti peuting téhsok muringkak bulu pundukeuy!”Waru: “Ah, déwék mah moalmuringkak euy!”Dadap: “Geuning ludeu -ngan?”Waru: “Henteu ludeungan, daieu bulu pundukna geus diku-rud!”

Hanif RamdaniJl. Kebon Cengkeh 12

RT 05/10Banjar – Kab. Bandung

CengkehDodi: “To, kumaha caranamelak cengkeh di daerahpanas?”Toto: “Eta sih gampang, nuhese mah kumaha caranamelak cengkeh dina embun-embunan!”Dodi: “Pacul heula tah hulusia!”

Hanif RamdaniJl. Kebon Cengkeh 12

RT 05/10Banjar – Kab. Bandung

MinyakDodi: “To, tong loba teuingngadahar nu loba minyakan,goreng kana beuteung!”Toto: “Naon wae cenah nuulah didahar téh?”Dodi: “Eta we, kayaning kom-por, dreum, komo tangkimobil mah ulah pisan.”Toto: “Ih... ari nanaon téh sikasebeleun mah!”

Hanif RamdaniJl. Kebon Cengkeh 12

RT 05/10Banjar – Kab. Bandung

Manglé 2436 53

Page 55: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

54 Manglé 2436

Coba geura urang ngabandu -ngan sababaraha kajadianmangsa ayeuna. Pulitisi nu

dipiharep bakal jadi nagarawan,geu ning tayohna mah teu ayatuladeun ana. Demi ngahontalkakawasaan, nya sagala rupa caradilaksanakeun. Etika geus teu di-pake deui. Ieu teh tangtu waebalukar bokbrokna partey pulitik.Nya ahirna lembaga perwakilanraha yat oge, sarua kabawa bok-brokna.

Teu semet dinya, eksekutip ogesarua teu eucreugna. Teu kitukumaha, atuda para pajabat ogeapan “maen mata” jeung para wakilrahayat. Katambah deuih, pajabatnagara oge ti mimiti presiden,menteri, gupernur, nepi ka walikotajeung bupati, apan karereanana tipartey pulitik.

Saruana lembaga peradilan ogeteu eling. Rea hakim jeung jaksa nusakuduna nanjeurkeun hukum, ariieu bet ngaruntuhkeun hukum. Ka-pulisian oge rea polah teu benerna.Mun balener mah moal rea koruptoratuh.

Mun kitu, jelas lembaga-lembaganagara urang ayeuna teh keur geringkulantaran dicarekel ku nu garering.

Karantina

Nu gering tea, geus ilahar, sokdikarantina. Maksudna, supayakasakit henteu tepa ka nu sehat.Engke sabada cageur kakara bisagaul deui jeung masarakat.

Tah, hal kitu kawasna bisadilaksana keun ka lembaga nagara

nu ayeuna keur gering. Upamanawae, DPR bisa dikarantina heula,dina harti sababaraha kawenangan -ana dipangkas. Upamana wae teu

perlu ulubiung teuing nguruskeunanggaran nepi ka bubuk leutikna.Teu perlu milu milih pajabat nagarasaperti Gubernur BI, Kapolri,Hakim Agung jeung nu sejenna.Pasrahkeun wae hal kitu mah kalembaga ahli nu netral. Naha DPRbakal daekeun?

Tetela, sababaraha anggota DPRgeus mimiti sadar kana hal kitu,Ahmad Yani ti fraksi PPP kungsinetelakeun, anggota DPR teu perlunguruskeun anggaran nepika detil,atuh Marzuki Ali , Ketua DPR tiPartey Demokrat, kungsi nandes -keun, nyusun legislasi nepi ka uru-san teknis mah mending digarap kupara ahli wae cenah. Kakara engkelebah aspek pulitisna digarap kuanggota DPR.

Mundur Salengkah

Dina sababaraha hal, jigana

urang perlu mundur salengkah.Demokrasi urang ulah mangprungteuing. Mundur teu salilana goreng,maju oge teu salilana alus.

Pemilu upamana, bisa waedikombinasikeun antara milih lang-sung ku rahayat jeung milih kuanggota lembaga legislatip. MilihPresiden jeung Gupernur bisa lang-sung ku rahayat, tapi milih bupatijeuntg walikota mah bisa wae kuDPRD. Lian ti kitu, pemilu ogewaktu na bisa “serentak”.

Untungna make cara kitu, beayapemilu bisa leuwih irit. Tibatananggaran dihahambur pan mendingdipake keur ngaraharjakeun raha -yat?

Parna

Ngan nyaeta atuh, kasakit tetelageus sakitu parnana. Malah geusnyaliara ka awak sakujurna. Teukarandapan dina widang pulitikwungkul, tapi geus nyaliara kawidang sejenna, sosial, ekonomi,hukum jeung sajabana.

Jelas, mun kitu, bangsa urang,dimimitian ku kaom elitena, ayeunateh keur ngarandapan krisiskabudaya an. Jadi, ngungkulananaoge kudu ku cara nu bisanyageurkeun bangsa urang tina kri-sis kabudayaan. Kumaha?

Ieu garapan sarerea, pang-pangna ku nu ngakukeun dirinakaom cendekiawan- budayawan. ***

Karno Kartadibrata.

Krisis Kabudayaan?

Page 56: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Manglé 2436 55

KA GIGIR:1.Beubeur4. Rohangan paragi barangasakan7. Poé sanggeusna bulan puasa8. Hadiah10. Hal anu can/teu katepi ku akal13. Teu kaharti ku akal16. Sieun17. Galuang galéong18. Tempat patepungna walungan jeunglaut19. Hayam anu jawérna rubak21. Bagian tina tutuwuhan (bacana titukang)23. Dangong26. Awak29. Dahar janari dina bulan puasa31. Sulaya, béda paham32. Alus rupa (lalaki)33. Turunan

KA HANDAP:1. Ngurangan (dahar, tanaga)2. Anak kuda3. Wangunan suci umat Islam4. Gagang pacul5. Rarangken hareup anu hartina paling6. Sieun8. Jalan cileuncang9. Wakil rayat11. Ukuran rubak12. Bagian tina tangkal cau13. Séké sélér di Irian anu sohor ku

ukiranana14. Lalaki adi kolot urang15. Sambel anu teu maké tarasi20. Pesawat ‘tempur’ Rusia22. Himpunan Pengetahuan Alam24. Dokumén25. Kandaraan umum baheula27. Inuman anu aya alkoholan28. Sué29. Boboko gedé30. Gerak saeutik lalaunan

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1403. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1401:

1.Opoh SaripahJl. Bungur Sari No. 3Cipaheut - Bandung

2. Anisa Fitri WulansariSD Pelita 2Jalan Cipadung Bandung

3. Jeje JaenudinKaryawan Kebon BinatangJalan Tamansari Bandung

1403K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mitra Sunda WA - Mangle 2436

“Geus mimiti karasa tiiseunana, Lo.”“Mapag lebaran di dayeuh, Mang?”“Enya.”“Kapan geus marudik.”“Marulang ka lemburna séwang-

séwangan nyah, Lo?”“Enya, Mang.”“Tétéla teu padet geuning padumuk

kota téh, Lo.”“Enya, dina lebaran mah, lantaran

kapan padumuk kota téh réréana uranglembur. Daratang ka kota ukur ngadonbubuara, ngadon nyiar rejeki, sartangadon ngaheurinan dayeuh.”

“Kawas Alo nyah!”“Héhéhé.”“Matak geura mudik kadituh.”“Ké wé geus deukeut pisan ka

lebaran, Mang.”“Hih, boga kénéh hanca di dayeuh

nyah?”“Lain boga kénéh hanca, Mang.”“Ari kitu?”“Pajejel kénéh di jalanna gé.”“Emh.”“Harérésé deuih meunang

kandaraan ana ogé.”“Na ari nyampeuk ka lebaran babari

nyah meunang kandaraan?”“Susuganan ieu mah. Susuganan

deuih batur pikiranana teu sarua jeunguing.”

“Mun batur pikiranana sarua jeungAlo?”

“Nya angger wé di jalanna pajejel,kandaraanana hésé tur padedet.”

“Moal jadi nyah mudik téh mun kitumah?”

“Ah rék maksakeun wé mudik,Mang.”

“Rék maksakeun baé, Lo?”“Enya, Mang. Da geus asa jadi

kawajiban jeung kabutuhan mudik téh,Mang.”

“Emh.”“Taun kali ngumpul ngariung jeung

baraya di pilemburan. Da geuning arilain lebaran mah hésé panggihna.”

“Da réa nu ngadon hirup dipangumbaraan nyah, Lo?”

“Enya, Mang. Nu ngumbara di kotaanu, di provinsi anu, malah aya anumeun tas pulo sagala.”

“Karasa haneuteunana pilemburantéh ari lebaran mah nya, Lo?”

“Bener, Mang.”

“Béda jeung poé-poé biasa.”“Enya, Mang. Tiiseun dina poé-poé

biasa mah lembur téh, da jalmanangadon ngarumbara ka kota, nyiarkipayah.”

“Bérés lebaran tiiseun deui di lem-bur téh, malah boa bakal leuwih tiiseunti saméméhna.”

“Har, na bet leuwih tiiseun Mang?”“Kapan ilaharna gé saban bérés

lebaran réa urang lembur anu milu kabarayana atawa ka tatanggana anukawi lang suksés, ngadon bubuara kadayeuh.”

“Enya, kitu pisan, Mang.”“Sabalikna jeung kaayaan di Kota,

Lo.”“Sabalikna kumaha, Mang?”“Saban bérés lebaran dayeuh beuki

padet ku padumuk, ku kaom urban anuterus merul nyiar kahirupan kadayeuh.”

“Padahal di pilemburan ogé teu ku-rang-kurang lahan kahirupan mah,Mang.”

“Enya, Lo. Ngan baé jalma taniatawa ternak mah sok remen dianggapteu boga gawé, pangpangna ku barudaklulusan sakolaan.”

“Bener, Mang. Da mun tani geusbisa dianggap jadi lahan gawé anu bisangahirupan jalma-jalma di pilemburanmah, sigana moal merul teuing kadayeuh kaom uban téh.”

“Enya. Sakalian dina momenlebaran ayeuna, urang neda dihampun-ten ka sadaya kancra mitra Manglé.”

“Leres pisan, Mang. ongkoh uranggé sok remen kacalétot ngomongkeunbatur.”

“Minal aidin walfaidin. Takobalal-lohu mina waminkum.”

***

Artos Tabungan Murid

56 Manglé 2436