Mangle 2451

57

Transcript of Mangle 2451

Page 1: Mangle 2451
Page 2: Mangle 2451

Lelang Jabatan, kadieunakeun mah remen jadikacapangan. Kitu téh, di antaran satutas JokoWidodo (Jokowi), Gubernur DKI, ngayakeun

lélang jabatan. Carana, sajumlah jabatan diparebut -keun kalayan ngaliwatan tes. Saperti nu kabandungansawatara waktu ka tukang, apan jabatan lurah jeungcamat gé, ngaliwatan lélang di Batawi mah.

Cara jeung gaya Jokowi loba nu nurutan. Ngan,tangtu wé nu tumali jeung jabatan mah ulah sakadarnurutan. Hartina, dina nataharkeun jeungngagunakeun ana kudu bener-bener daria tur pinuh kubalitungan.

Mémang, nangtukeun pajabat saperti di DKIJakarta atawa di Kota Badung, hak prerogatif guper-nur atawa walikota. Atuh, upama pajabat ngagunakeunhak, taya salahna. Asal, tujuanan geusan kamaslahatanbalaréa. Atuh, si éta pajabat deuih sakuduna leuwih

mentingkeun masarakat batan pamingpinna.

Mitra, tumali sareng jabatan, dina nomer ieu Mang -lé ngolongan pamanggih Dr. H. Deden Suhendar,M.Si., Dokotr Administrasi Publik wedalan UniversitasPadjadjaran. Ceuk H. Deden, nangtukeun jabatan téhkudu neueul kana tujuan, demi kapentinganpalayanan ka masarakat. Ku lantaran kitu, nu dipilihtéh, cenah, kudu dumasar kana ‘merit system’ sangkannu kapilih luyu jeung kekecapan ‘the right men on theright place’ téa. Hartina, éta jabatan téh ditempatan kujalma nu pangmerenahna.

Geusan ngahasilkeun pajabat nu merenah dinatempatna, ceuk H. Deden gumantung kana cara jeungsaha nu milihna. Dina milihna ogé kudu ‘obyektif’.Kudu bener-bener nu kapilih téh nu panghadena. Ulahlantaran ‘deuheus’ atawa aya kapentingan nu nyamuni,saperti ‘males budi’.***

Ulah Sakadar Nurutan

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mangle 2451

IMPLIK-IMPLIK

Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran

sa-Jawa Barat

Piala Ida Widawati 2013

........................................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Ririwa di Pakemitan

Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24

SAJAK

Ti Lebah Maruyung

Keur nu nganteur

Atép Kurnia .................................... 27

BANDUNG-BANDUNG

Lelang Jabatan

Ulah Ukur Gagayaan

......................................................... 46

CARITA PONDOK

Srikandi Lain Dewi

Tatang Zaelani Tirtawijaya .............. 18

Tilu Menit Panungtungan

Ipung Thaifur Abu Yazid .................... 22

Sabot Nungguan Budak Sakola

Nyi Roro ............................................. 26

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Rumaja .................................. 31

Katumbiri .......................................... 36

Nyusur Galur ..................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (182)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (20)

M.A. Salmun

............................................................. 12

Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (4)

HD. Bastaman

............................................................. 48

­Sekar­MangléELVIRA

6LAPORAN

Atlit Mancanagra

Ngjajal Umpalan Citarum

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Panonpoé nu keur sumedeng mentra -ngan, mawa hanaang jeung bayeung -

yang nu teu bisa disingkahan deui.Malah di sabudeureun, kebul knalpottina mobil-mobil nu ngareteyep masihanteng matu ran sapangeusi mobil nu

harita keur ditumpakan. Teu ngan semetdinya, lampu beureum stopan milu

moncorong, mobil ngarengkog eureundina tengah-tengah keukeupan....

20

Srikandi Lain Dewi

Panata Rias & Raksukan: SanggarAyu Busana (Galery Rias Pengantin)

Komplek Neglasari Jl. NeglarasaNo. 9 Ujung Berung – Bandung

Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408

Page 4: Mangle 2451

Adiluhung

Waktu muka PasanggiriTembang Sunda CianjuranPiala Ida Widawati 2013 di

STSI Bandung, Ibu Otje Djungdju-nan nétélakeun yén ku bangsa deu -ngeun mah Tembang Sunda téhdiaku mangrupa karya seniadiluhung. Dina Kamus Besar Ba-hasa Indonésia, adiluhung téhhartina tinggi mutunya.

Lain Ibu Popong wungkul anunyebutkeun kitu téh. Geus réa nuséjénna gé anu nyarita kitu. MalahMh Rustandi Kartakusuma mahleuwih tandes, Tembang Sunda mahmatak kaluar cimata. Lamun teu nepika ceurik, éta mah can jadi urangSunda.

Tapi umumna mah kitu, ngansemet dumasar kana pamanggihbangsa batur baé. Tembang Sundatéh kaasup salasahiji seni Sunda anumindeng diondang jeung ditanggapdi nagara batur. Tur umumna taraaya nu nguciwakeun. Suksés baé.Atuh bangsa batur anu diajar jeungnaliti Tembang Sunda ogé geus ayasababaraha urang.

Padahal batur mah nyarita kitunatéh jeung enyana deuih. PintonanTembang Sunda di nagara batur mahsalawasna payu. Hartina, nu lalajonaloba, aprésiatif jeung lalajona téh barimayar. Mahal deuih mayarna ogé daanu baralik manggung di ditudatangna deui ka urang téh sokngagémbol.

Ari di urangna sorangan kumaha?Kungsi babalagonjangan ka

sababaraha urang, lamun ngayakeunpintonan Tembang Sunda tur nulalajona kudu mayar, kira-kirana

bakal loba nu datangna? Tayasaurang gé anu kalawan tandesnyebut keun bakal bisa, bakal loba nulalajona. Jeung mayarna gé mahaldeuih.

Sigana, pangna kitu téh lantarantacan dicoba. Gugum Gumbiranyebut keun kungsi mintonkeunjaipongan di hotél Homann Bandungbari nu lalajona kudu mayar. Cenahnu lalajo téh pinuh-pinuh baé. Tapiéta téh kajadianana sababarahapuluh taun ka tukang.

Di urang mah tayohna lalajo pin-tonan kasenian Sunda bari mayar téhtacan lumrah. Mun aya pintonan seniSunda, nu ngalalajoanana téh biasa -na mah ngahaja diondang. Malah teukurang-kurang anu di panglala-joanana téh bari disuguhan sagala.

Tapi, boa-boa kaayeunakeun baékituna téh. Da béh ditu béh ditu mah,mun lalajo sandiwara di Sri Murniupamana, apan sok mayar. Lamunbener kitu naon sababna? Padahalurang Sunda ayeuna anu baleungharpasti leuwih loba batan opat puluhtaun ka tukang.

Moal kitu pangna hayang sarwagratis baé téh sabada urang saréréawanoh ka nu ngaranna proposal?Apan ayana kabiasaan ngajukeunproposal lamun para seniman aya ka-hayang téh kakara kadieunakeun. SriMurni anu gedongna di PasarKosambi bisa dipastikeun tacanwawuheun ka nu ngaranna proposal.Kabisaan ngajukeun proposal mahminangka produk tina mangsanapangwangunan nasional anu maceuhdina mangsa Orde Baru.

Ngan sigana jadi silih tempuh -

keun. Sri Murni jeung kasenianSunda séjénna lus-les laleungitanlantaran nu lalajona bari nyaeutikan.Ngajaga supaya ulah tumpur, nyadibantuan sina hirup deui ku ayanaproposal téa. Anu ngabayuananapama réntah.

Suwargina Kang Apung SW anukungsi kedal téh. Saurna, Akang mahsakapeung sok sirik ka Darso. LamunAkang saparakanca hayangngayakeun pasanggiri TembangSunda, kakara bisa jalan lamun pro-posalna geus disatujuan. Ari Darsomah teu kitu. Laluasa bisa manggunghenteu gumantung kana proposal.

Lamun geus nepi ka dinya, biasa -na losna téh sok jadi kana panga -resep. Kasenian bakal terus hiruplamun anu mikaresepna loba kénéh.

Ari Tembang Sunda apan lobaanu mikaresepna, lin?

Tangtu bakal terus kapapanja -ngan. Béda atuda. Tembang Sundamah ulah disaruakeun. Apandisarebut na ogé adiluhung.

Jadi ras deui ka bangsa deungeuntéa. Apan dina sakalina nyebutadiluhung téh bari jeung prakna.Hartina, maranéhna mah resepngalalajoanana jeung resep kanamayar na. Mangkaning mayarna gémahal deuih.

Lamun urang agul pédah ceukbatur Tembang Sunda téh adiluhung,kuduna urang gé nurutanmaranéhanana. Resep lalajona téhjeung resep mayarna deuih. Lamunurang ngan semet agul-agul nyebutadiluhung kana Tembang Sunda barilalajona embung mayar, siganangaranna téh nya munapék téa. AM

Manglé 2451 3

Page 5: Mangle 2451

4 Manglé 2451

Sampurasun!Ais Pangampih Ma -

ngle, sawatara ka tukangpernah rame, cenah ino-hong Sunda boga ka-hayang, nyaeta WakilPresiden kudu urangSunda. Tah, kahayang etanu harita heurasditepikeun ana teh, beukidieu mah beuki melem-pem. Malahan, lamunharita mah atas namalembaga bada jeungpamaren tah, ayeuna mahnu kakuping teh saukurpribadi-pribadina.

Keur Simkuring mah,harita reueus kacida. Ka-hayang masarakat Sundadirojong ku pamarentahjeung para inohongna.Ngan kadieunakeun ka-hayang kitu, sapertinamustahil. Soalna, ceksimkuring mah, dug ces!

Ari aya kumpulanwae, hareuras. Tapiwaktu bara lik ka paga -wean atawa ka kandangparteyna mah, saperti nupoho. Disebut aranjeun -na poho atawa ngahajapoho, gampangdibuktikeun ana, nyaeta,nepi ka ayeu na can ayadeklarasi para ketua-ketua partey wilayah diJawa Barat, masalahpentingna wakil presidenti Sunda. Hartina,maranehna sieun kupusat. Padahal, keursimkuring mah, pentingpisan para ketua parteywilayah di Jawa Baratsapuk kana penting nawakil presiden teureuhSunda.

Anu ngarojong jeunganu siap dirojong ti tatar

Sunda, memang pernahaya hawar-hawar, sapertiMoh. Jumhur Hidayat.Ngan, nyakitu tea, asanakolot-kolot Sunda jiga nuarera atawa satengah-satengah. Henteu kati -ngal bener-benerngadukungna. Contonawae, Paguyuban Pasun-dan can wani ngajeblag -keun spanduk gede,upamana di tempat asuptol, nu unina yen Jumhur;Urang Sunda, Pantes jadiWakil Presiden 2014,jeung conto-conto sejen -na.

Lain wae Jumhur Hi-dayat, tapi oge tokohsejen na, saperti H.Ahmad Heryawan. Ngan,nyakitu deui, ti ayeunateu tembong persiapan -ana. Jelas, upama teutembong ti ayeuna,hartina teu ayapersiapan ana, geus pasti,wacana wakil presidenurang Sunda saukur ka-hayang wungkul, saukurbisa ngomong wungkul,saukur daek ngabudahjeung sabangsana.

Saha nu pantes keurngarumuskeun lengkah-lengkah muru wakilpresi den Sunda? Nu jelas,pamarentah Jawa Baratjeung Paguyuban Pasun-dan kudu naratas deui.Kakara lembaga atawapaguyuban sejennanyarusul. Naha bakalbisa? Lamun teu bisa,mustahil, wakil presidenti Sunda bakal tinekanan.Ulah ngimpi, upamasaukur boga kahayangwungkul mah.

Tah, sakitu surat ieu

kasanggakeun ka Mangle.Mudah-mudahan tiasadimuat. Hatur nuhun.

Wassalam.

Mang AbdulTi Cileunyi Bandung

Sampurasun!Damang Nyi Mangle?

Duh sono pisan ka nugeulis teh. Ieu mah ho -yong nepikeun ka sonowae ka Mangle. Simku -ring mah reueus pisan daka Mangle teh. Padahalayeuna teh jamanglobali sasi, tapi aya kubisa, bet Mangle masihkeneh tiasa medal. Aslinareueus jeung muji pisan.Ngagawean produk lokalkeur kiwari mah, henteugampang. Malahanlolobana mah padaninggal keun. Lantaran,cek maranehna lain gara-pan pikahareu peun nuterus maju.

Tapi, cek simkuringmah henteu kitu, Mangleangger kudu terus miarabasa Sunda, masa keurmeungkeutkeun rasaduduluran. Keur maheut -keun rasa silihmikanyaah. Lantarandeuih, simkuring mahyakin, nagara ieu ngahiji -na teh lantaran ayanabeda-beda suku jeungbaha sa. Ku kituna, terusterang ka Mangle reueuskacida. Mugi terasmedal.

Anapon kadieuna -keun, eusina beukingura ngan, meureun nusalah mah urang sadaya -na wae. Lantaran, ngu-

rangan teh meureun, lan-taran kurang perha tian tiurang Sunda sora ngan.Buktina, naha nyaah kaSunda? Naha tos lang-ganan Mang le? Manggauih deui ka diri sewang-

sewangan.Nuhun Nyi Mangle,

cover-coverna beukigeulis.

Wassalam.

Ibu Hj. MienTi Cihaurbeuti Ciamis

Ngalereskeun

Assalamualaikum wr,wb

Nengetan artikel TiluAlbum Imas Permas dinaManglé No. 2442 wedalan19 — 25 Séptémber 2013kaca 26 dugi ka 28, dinaéta seratan nami simku -ring diserat UPINP R A W I R A S U T I S N A(Sababaraha kali diseratkitu, hartosna sanés salahcitak). Anu sakedahnaUKIN PRAWIRA-SUTISNA.

Sim kuring sanés peja-bat ogé sanés jalmi pen -ting. Nanging kahartosrupina saupami ngarantéh kanggo tiap jalmi nga-gaduhan ajén husus keurdirina. Sumawonna lepatsaaksara bakal lepathartos na.

Mugi janten uninga kasadaya nu aya patula-patalina sareng seratankasebat. Hatur nuhun.

Wassalam pun,

Ukin Prawirasutisna

Ngimpi!Wakil Presiden Teureuh Sunda

Reueus ka Majalah Mangle

Page 6: Mangle 2451

Manglé 2451 5

KAAYAAN sarupa kieu, tangtuwaé dina harti nu teu hadé,nyokona téh dina sistim. Ku

lantaran kitu, pikeun ngabebenahkaayaan téh nu kudu pangheulanadirobah téh nyaéta sistimna. Kitu cékpamanggih para ahli. Sistim naon?Sakabéh sistim cenah. Sistim kahiru-pan. Sistim pamaréntahan. Sistim pa-maréntahan di urang kiwari, héngkérteuing. Ku lantaran héngkér teuing,pamaréntahan téh remen éléh ku nudiparéntahna. Padahal di mana-manabaé ogé pamaréntah mah teu kaciéléh. Kudu salawasna meunang.Pangna éléh téh bisa jadi ku lantaranngarasa salah. Apan pancén pa-maréntah téh di mamana ogéngaraharja keun rahayat. Tapi apan diurang henteu kitu. Nu nyangkingkalungguhan di pamaréntahan taraieuh mikiran rahayat. Teu kasiwerbalas mikiran kapentingan dirinasora ngan.

Mahabuna korupsi di urang nyaku lantaran sistimna nu salah. Sistim -na méré teuing lolongkrang ka sugrinu aya dina éta sistim pikeun basilat.Sistimna ngabibita ka sugri nu ayadina éta sistim pikeun curaling. Teumustahil jalma hadé gé ari nyampakaya lolongkrang pikeun curaling mahjaadi kabawakeun. Komo pikeunjalma-jalma nu kasang-tukangna geusaya ulat basilat. Pikeun jalma-jalmasamodél kitu mah teu bina ti “monyétdibéré séséngkéd”. Teu nyampak géséséngkéd téh ditéangan apan kumonyét mah. Kari-kai, ieu disampak -keun pisan. Pikeun jalma basilat mah,lolongkrang keur korupsi téh henteuweléh ditéangan. Ari ieu nyampak

pisan. Lolongkrangna lega pisan. Nyapiraku teuing lolongkrang anu sakitugedéna téh henteu dimangpaatkeunonaman.

Ku sistim nu dijalankeun kiwari,lolongkrang téh nyampak di mana dimendi. Di éksékutif aya, di legislatifnyampak, di yudikatif pon kitu deui.Mana pantes jalma-jalma nu katoh -yan korupsi téh jalma-jalma numibanda kalungguhan nu nangtu -keun. Jalma-jalma anu aya dina sis-tim. Nu di luar sistim mah tara pisankabéjakeun. Ku lantaran kitu sistimnakudu dirobah. Kudu ditéangan sistimnu sabna jalma nu aya dina éta sistimngarasa aya nu ngawas. Lain ngansakadar ku “jiga” modél ayeuna.Pancén legislatif apan ngawaskeunpagawéan éksékutif malar gawéna truméngpar tina tujuan ngaraharjakeunrahayat. Yudikatif, kayaning jaksa,hakim jeung nu pancénna nanjeur -keun hukum, kuduna mahngawaskeun dua “pilar démokrasi”lianna, nyaéta éksékutif jeung legis-latif. Éta pancén nu diatur sakituhadéna téh henteu ieuh dijalankeun,da nya kitu téa “padarubak sisi sam -ping”. Silih ma’lum, silih “tau samatau” da puguh saruana, papada dologkana ngamangpatkeun lolongkrangpikeun korupsi.

Aya nu nyalahkeun ka jalmana,lain kana sisimna. Da cenah, sistimnageus alus. Nu goréng téh jalma-jalmanu aya dina éta sistim. Da lamunjalma na hadé mah moal ieuh ka -pincut ku pagawéan teu hadé. Jalmahadé mah moal ieuh nurutan batur numilampah pagawéan teu hadé. Dinamilih jalma-jalma pikeun ngeusian

sistim nu aya téh kudu bener-benerdisaring kalawan daria. Tapi apan diurang gé nya kitu pisan. Lebahngagkat jalma téh éstu teu sagawayah.Aya anu disebut “fit and proper test”téa apanan. Nya kitu, pikeun néanganjalma nu nu teu kabitaan najanlolong krangna aya. Cohagna, teukawas “monyét dibéré séséngkéd”.Jalma nu gugon tuhon kana sikephirupna nu teu galideur, lempeng, teukabawa ku sakaba-kaba.

Tapi apan kitu buktina. Nu lulus“fit and proper test” gé sok “nyolongbadé”. Jiga heueuh jujur, padahalucing garong. Kitu kabutianana apan.Nu hadé awalna kalah katohyangoréng tungtungna. Pangna kitu nyaku sabab sistimna téa. Sistimnunyadia keun lolongkrang pikeunbasilat. Ana kitu, nu kudu dioméan téhnaon atuh? Sistimna, atawa jalma na?Meureun kudu duanana, nya sistimnanya jalma-jalmana. Hartina téh robahheula sistimna malar teu nyadiakeunlolongkrang pikeun basilat. Geus kitukakara néangan jalma pikeun ngeu-sian éta sistim. Da piraku sugan teuaya pisan jalma jujur di antara puluhanjuta nu jaradi pagawé pamaréntah téh.Lamun ti jero geus dianggap euweuhnu eucreug, atuh nya kapaksa néa nganti luar. Sistimna kudu dirobah heula.Geus dirobah téangan jalmana nubakal pihadéeun. Nu boga pancénmilih, kudu nyingkahan sikep “padarubak sisi samping”, komo ngahaja“méré séséngkéd ka monyét” mah.***

[email protected],Ketua Pengelola Akademi BudayaSunda (ABS)-Unpas

DI KIWARI MACA BIHARI (26)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Monyét Dibéré Séséngkéd

Page 7: Mangle 2451

Umpalan Citarum matak ngirut.

Kitu keur pasalancar mah. Matak,

teu sing anéh upama Citarum jadi

tempat kokojayan atlit manca -

nagara. Ngan, naon waé mangpaat -

na?

***

Gawir Citarum nu biasa tiiseuntéh robah jadi pangjugjugan.Nu rajeg di dinya mencrong

ka nu keur kekerelepan tilem-timbul.Tapi, taya saurang ogé nu nulungan,kalah patingareuyah nyumangetan.Enya, apan nu kekerelepan tilem-tim-bul téh lain titeuleum, tapi pamilonlomba nu ngadu jajatén ‘nalukeun’umpalan cai Citarum dina kajuaraanSelancar Sungai 2013, di wewengkonCiputat, Kabupaten Bandung Barat,Propinsi Jawa Barat.

Kagiatan salancar diwalunganCitarum, mémang tingkat dunya.Atuh, nu daratang ka éta tempat gé tisababaraha nagara, saperti tiAmerika, Perancis, jeung sajabana.Arinyana téh, atlit-atlit olah raga cainu biasa ngajajal ombak laut jeungumpalan cai walungan di mana-mana.

Ngahudang SumangetDina sual kokojayan, pribumi gé

teu éléh ku sémah mancanagara. Bohkokojayan di laut boh di walungan,loba nu geus manukna. Atuh, teukolot teu budak loba nu mahér ngojaynu saterusna boga kaludeung jeungkamampuhan jadi pasalancar sartaboga anléh milu lomba. Hasilna, atuhteu sing tambi lumayan, da puguhpribumi gé dina salahsahiji nomerlomba mah jadi pinunjul, sapertiYudi, Edy, jeung Hermawan.

Arinyana, mampuh ngadu jajaténjeung atlet kawakan tingkat dinya,kalayan dina gaya bébas mah, teu singéléh jajatén.

Kagiatan The First RiverboardingWorld Competition 2013 téh anulumangsung 7 nepi ka 10 Nopembertéh nyesakeun lalangsé nu mistinadisingraykeun. Naon téa? Enya, apansual ‘ajen’ cai Citarum nu mingkindieu mingkin kotor. Tah, kaayan caikawas kitu gé, kungsi jadi bangbaluhkeur parapamilon mah. Apan, diantara na gé aya nu ngabolaykeun teutulus miluan lomba lantaran, ceukarinyana, cai Citarum téh kotor, teumerenah keur kokojayan dipaké olahraga!

Ngan, tarekah panitia gé teu ku-rang-kurang. Sagala rupanaditatahar keun. Antukna, éta kagiatantéh bisa dilaksanakeun luyu jeungrarancang nu ditataharkeun. Atuh,pangbagéa ti pamilon gé kacidahadéna. Arinyana loba nu mujiéndah na alam sabudeureunana!

Upama Citarum kotor jeung cainabau, lantaran mémang ukur jadipamiceu nan. Kokotor ti imah jeung tipabrik jigna téh loba nu ka Citarum.Atuh, éta walungan mah ukurkatempu han, da kumaha ti girangna.

Ajén cai walungan, kumaha tigirang na. Mun ti sunggapanana kotor,ka hilir gé moal teu kitu. Atuh, munurang girang miceunan kokotor,balukarna mah keur nu di hilir.Hartina, nalingakeun walungan mahlir ngalirna cai, kudu sapapanjag étawalungan jeung sapapanjangna.

Citarum BihariCitarum kareueus urang Jawa

Barat. Eta walungan téhpangpanjang na di tatar Sunda mah,

ngaliwatan sababaraha kota jeungkabupatén. Mimitina ti pakidulanBandung , Cianjur, Purwakarta, jeungKarawang. Ahirna, ngamuara di lautJawa.

Nepi ka abad ka-19, eta walungantéh sarana patalimarga. Parahu-parahu patinggeuleuyeung balayarpangpangna mah ti girang ka hilirkalayan ngakut hasil tatanén jeungkebon. Di lembur-lembur nu kalili-watan aya pameuntasan , sakalianpangreureuhan nu balayar dinaparahu. Eta walungan boga sajarahpanjang. Kungsi jadi tapel wates alamnu misahkeun dua kakawasaan,saperti Galuh jeung Karajaan Sunda,ogé Kasultanan Cirebon jeung Ban-ten.

Kiwari, mémang lain bihari.Citarum remen jadi mamala. Munusum ngijih, caina limpas ka lembur-lembur. Kitu téh, saperti nu remenkaalaman ku urang Bandung pakidu-lan. Atuh, mun usum halodo, caina géngolétrak kajaba kotor, runtahnyayeud!

Léngkah JinekCeuk kekecapan kolot, mun butuh

supana kudu daék miara catangna.Kitu deui mun butuh ku Citarum,tangtu wé kudu dijaga jeung dipiara.Da, éta walungan téh mahala- maha -yu, kumaha manusana, ahirna mah!

Nu neundeun kanyaah ka walu -ngan Citarum, memang loba. Malah,komunitas atawa organisasi nu nyaahka eta walungan ge teu kurang-ku-rang. Ngan, nya kitu, hasilna mahtacan saperti nu dipiharep. Buktina,cai Citarum téh mingkin dieu mingkinkotor. Aturan-aturan miara lingku -ngan, remen teu katalingakeun.Antuk na, rupa-rupa aturan téh mintul

6 Manglé 2451

Atlit Mancanagra

Ngajajal Umpalan Citarum

Page 8: Mangle 2451

Manglé 2451 7

tur teu peurahan!Karep miara lingkungan ogé jolna

téh ti parapasalancar tingkat dunya.Apan dina panutupan kagiatan, ayadeklarasi, maheutkeun tekad, milungarojong miara walungan nu aya dimana waé, kaasup walungan Citarum.Harita, karep kitu téh dihaminan kuGupernur Jawa Barat, H. AhmadHeryawan nu hadir dina éta acara.

Gupernur gé nétélakeun, pihaknateu weléh satékah polah miara jeungningkatkeun ajén Ciatarum. Malah,cenah, tarékah kitu téh lain ukurlalambé tapi geus prak ti taun 2008kénéh. Atuh, pangrojong Pemda JawaBarat ka organisasi nu mikanyaahCitarum gé teu kurang-kurang. Ngan,cenah, hasilnamémang can nyugema -keun sarta kudu leuwih di-hangkeutkeun deui.

Geusan miara Citarum, ceukGuber nur Jawa Barat, pihakna gégeus nangtukeun léngkah anu jinek.Ngan tangtu wé luyu jeung kamam-puhan. Hartina, léngkah kitu téhbakal ngeureuyeuh, tapi jinekudagan ana. Léngkah munggaran,dina 2014, ngabebenah Citarum dibagian sunggapan, dua puluh kilo-métér heula, dimimitian tiwewengkon Situ Cisanti, nu aya diwewengkon Kabupaten Bandung.

Dina lengkah saterusna, nuluy -keun deui hanca garapan kalayansasaranana lima welas kilometer. Tidinya diteruskeun deui sapuluh kilo-meter, sarta disambung lima kilo -meter deui. “Tangtu we garapananagé sagala rupana,” pokna.

Ngabebenah walungan, mémanglain ukur miara caina, tapi deuihlingkunganana. Ku lantaran kitu,ngahéjokeun deui lingkungan numangaruhan walungan Citarum kudujadi garapan gawé nu daria.Saterusna, dina miara ajén cai, nga-jaga tur ngariksa sagala rupa nu bakalmangaruhan kana ajén cai. Contona,cenah, nu mariceun kokotor boh tiimah-imah boh ti industri teu meu-nang langsung dikamalirkeun kawalungan, saacan disaring jadi cai‘beresih’ nu teu matak ngotoranwalungan. Matak, cenah, nu leuwihpenting téh kasadaran sakumnamasarakat sangkan teu sagawayahmiceun kokotor ka walungan. ***(AS/Ensa)

Gupernur Jawa Barat

Citarum ngirut atlit mancanagara

Kaayaan sabagian Citarum ayeuna

Page 9: Mangle 2451

Manglé 2451

PROSESI dibukana PasanggiriTembang Sunda Cianjuran PialaIda Widawati 2013, diwangun ku

pagelaran nu kawilang langka. Gelar taritéh dipirig kacapi suling, henteu kugamelan kawas ilaharna. KoréografernaIwa Permana SSen, ti Mitra Seni IntenDewangga, geus hasil magelarkeunpinto nan anu satéma jeung acara, hen-teu incah tina kacapi suling jeung Tem-bang Sunda Cianjuran. Ieu prosésidideudeul ku sapuluh penari, lima jajaka(Gilang, Gatot, Dadan, Zainal jeungDenny), jeung lima wanoja (Uum, Adé,Yuka, Alma jeung Mira), minangka lam-bang yén nu bakal jadi juara téh aya limawanoja jeung lima jajaka. Gilang nungalambangkeun spirit (sumanget) kaa-gungan Prabu Siliwangi, ngabéwara -keun ku lagu, yén bakal turun rundayanpetétan Tembang Sunda. Kostumbodas minangka ciri warna kembangmalati, ngaran Lingkung Seni nungayakeun ieu acara. Salian ti éta, pulasbodas lambang kasucian, nambahannuan sa hidmat kana suasana. Penarijaja ka geus reres ngibing, dariuk dinapanggung. Burudul iringan Ida ditutur -keun ku mojang penari, limaan

nanggeuy dua piala bergilir IdaWidawati, ti lawang asup Gedong SunanAmbu, STSI Bandung. Ida nembanglagu bubuka ku Cianjuran dina Kulu-kulu Bem. Lulus banglus, prosési téhréngsé kalawan hidmat jeung dangia -ngan.

Dina obrolan jeung “Mangle”, KetuaPanitia Herry Supriadi dibarengan kuIda Widawati nétélakeun yén cita-citangayakeun ieu pasanggiri téh geus tibaréto. Sanajan harita mah nu kaciptaku Ida téh saukur ruang lingkup Garut,tempat lahirna. Taya maksud nanaon,iwal ti hayang ngahiap ka generasi ngoraanu micinta tembang Sunda. Lebar cékIda, lamun petétan téh henteu disambat.

Ieu cita-cita Ida téh dipadung-dengkeun jeung para tokoh tembang.Bet loba nu protés, naha cenah makésaukur ruang lingkup Garut, apanngaran Ida téh geus lega ambahanana,nepi ka tingkat nasional, malah interna-sional. Tapi Ida angger asa bingungkénéh. Na ti mana ngawaragadanana?

Tapi dina émprona mah nu milungarojong téh henteu saeutik. Geura wé,di antarana aya ti YPK, KadisbudparJawa Barat, STSI Bandung, Damas, Ju-

gala, Pangauban Kawih Sunda, GPFSGarut, NF Record, Mitra Seni Inten De-wangga, Paguyuban Tembang SundaCianjuran Jawa Barat jeung RanggonCijagra. Can kaasup sumbangan moril tirekan-rekan Ida jeung Herry. Di antara -na Mamah Dasimah, Neneng Dinar, IdaRosida, Ai Eka, Lenny, jste. MalahTintin Suparyani, nu kungsi jadi JuagOma dina Gending Karesmen CeurikOma, ngahadiahan kacapi indung jeungrincik. Ieu kacapi dipasrahkeun kaKabupatén Garut, daérah anu pangloba -na ngirimkeun wawakil patandang.

Lain Goong Nabeuh ManéhBasa Ida Widawati kudu biantara

ngalaporkeun ieu kagiatan, katara radadumareuda. Kagagas, meureunanpédah cita-citana laksana. Ida gé sasadu,cenah da kakara munggaran pidatohareupeun umum.

“Hapunten da tangtos seueurkakirangan ana,” cék Ida. “Paralun sanésbadé goong nabeuh manéh, ngayakeunieu kagiatan téh, tapi éstu clik tina haténu wening, hoyong ngiring ngarojongngawanohkeun seni tradisional Sundaka generasi muda. Teu pisan-pisan

8

Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran

sa-Jawa Barat

Piala Ida Widawati 2013

Page 10: Mangle 2451

Manglé 2451 9

gaduh rasa tos janten tokoh. Ieu mahkeur adi-adi, pun anak, boa pun incu,hayu urang mumulé seni TembangSunda ku urang sadaya,” cék Ida.

Kadisbudpar Jawa Barat, DrsNunung Sobari MM mah harita kénéhdina pangbagéana nyebutkeun yén Idateusing goong nabeuh manéh, tapigoongna ditabeuh ku batur. Ngaran Idatéh geus kakoncara salaku panembangsenior, anu ti taun 1970-an geus iciki-

bung dina widang Tembang Sundakalawan henteu pegat. Nu mawi kagia -tan Bu Ida, ku Disbudpar dirojongpisan,” cék Nunung.

“Ida Widawati jeung Lingkung SeniMalati ngalangkungan Pasanggiri Tem-bang Sunda kanggo rumaja 14 dugi ka19 taun, némbongkeun tarékah pewari -san ajén luhung seni mamaos. Ku ayanaieu tarékah Ida, muga-muga tiasangaronjatkeun minat urang Sunda,hususna para nonoman, sing langkungmiwanoh tur mikacinta Seni TembangSunda, “ cék Eka Gandara WK, KetuaUmum Pangauban Kawih Sunda JawaBarat.

Ari Gubernur Jawa Barat dinasambutan tinulisna, nétélakeun yén ajénbudaya daérah téh ku pamaréntah di-jadikeun salah sahji kakuatan sosialpikeun ngaraketkeun persatuan jeungkesatuan. Ku kituna Gubernur miharepieu kagiatan bisa nambahan ajén inajénbudaya tur dampakna positif kana pem-binaan jeung pengembangan TembangSunda Cianjuran. Dina ahirna mahbakal ngamuara kana tumuwuhnabuda ya nasional, malah internasional.”

“Seni Tembang Sunda téh geus di-angken ku dunya internasional, jadi

salahsawios kasenian adiluhung. Pirakuurang henteu reueus,” cék Ibu Otje.

Teu wudu rempeg. Nu méré pang-bagéa téh salian ti Ny Popong OtjeDjundjunan salaku anggota DPRRIKomisi X, ogé wawakil KementrianPariwisata dan Ekonomi Kretatif tiJakarta. Malah di antara hadirin, salianti seniman tembang, kawih jeung seni-man séjénna, ogé loba tokoh masrakat,budayawan nu ngahaja nyaksian boh

dina pembukaan boh dina penutupanacara. Di antarana aya Ajip Rosidi,Gugum Gumbira, Abdullah Mustappa,Endang Karman, Yus Wiradiredja,Karno Kartadibrata, Uu Rukmana, HDBastaman jeung réa-réa deui.

Lagu nu dipasanggirikeun Tina katerangan Ketua Panitia

Pasanggiri, Herry Supriadi jeung HasanSyafrudin, tétéla anu disebut TembangSunda dina ieu pasanggiri, nya éta Ci -anjuran. Lagu-laguna ngawengkuPapan tunan, Jejemplangan, Dedegu -ngan, Rarancagan jeung lagu-laguPanambih; dina dua laras, Pélog jeungSorog.

Ieu pasanggiri téh lumangsung diSTSI Bandung ti 10-13 Nopémber 2013,nu miluna aya 51 urang, diancokeunkeur masyarakat umum, wawakil sakolaatawa utusan daérah sa-Jawa Barat,keur mojang jajaka anu umurna 14-19taun tur geus ngawasa lalaguan nu di-pasanggirikeun, di antarana KentarAjun, Asmarandana Polos, Wani-wani,Mupu Kembang, Rajamantri, CintaWaas, jeung Nandasa. Ari lagu panam-bih, di antarana Angin Peuting,Selabinta na, Ka Saha, Lembur Singkur.

Piala KajuaraanSabada para finalis tandang

makalangan, diajén ku para juri, HerrySuheriyanto, Neneng Fitri jeung KariMulyana, pasanggiri nangtukeun heuladua puluh finalis jajaka jeung mojang.Saterusna para finalis diajén deui dinababak final.

Pikeun golongan mojang, pinunjulkahiji beunang ku Fadila Nur Asifah tiBandung, kadua Reka Diah Pasha tiGarut, katilu Sri Ningsih ti Bandung,harepan I Nurul Cholidania ti Bandungjeung harepan II Silvi Risviani tiSumedang. Ari pikeun golongan jajaka,pinunjul kahiji beunang ku Arief AbdulRochman ti Bandung, kadua DikaDzikriawan ti Cianjur, katilu Muham-mad Ridwan ti Bandung, harepan I. MRaudia Sukma ti Garut, jeung harepanII, M. Imam Maulana ogé ti Garut. Mo-jang jeung jajaka juara kahji, narimapiala bergilir, piala tetep jeung duitkadeudeuh. Ari pinunjul kadua nepi kaharepan sarua pada-pada narima pialatetep jeung duit kadeudeuh. Gedénakadeudeuh téh Rp 30 juta keur saréréa.Salian ti éta kabéh pinunjul narimamedali kajuaraan, smartphone ti spon-sor, jeung payung ti Ibu Otje.

Dina pidato panutupna Kadisbud-par Jawa Barat Drs Nunung Sobari, MMnandeskeun kabungahna nyaksianlobana nonoman anu miluan kana ieupasanggiri. Ieu ngandung harti, seniTembang Sunda bakal loba nuneruskeun.

“Numutkeun Unesco, unggal poéloba basa indung nungtutan ilangtanpa karana, lantaran nu makénanungtutan laleungitan. Eta dina basa.Kitu deui dina seni. Upamimasarakatna tos teu hoyongeun ilubi-ung deui dina Tembang Sunda, tangtossenina téh bakal ilang. Alhamdulillah,ningali sakieu rempegna para nono-man anu ngariring mikacinta TembangSunda, kahariwang seni urang bakalkawas jati kasilih ku junti téh teu ayaayeuna mah. Reugreug. Ieu acara téhsanés kagiatan Disbudpar sarengLingkung Seni Malati wungkul, tapikagia tan urang sadaya. Nu nga -deudeulna aya lima komponén, kahijipamaréntah nu memfasilitasi, kaduaseniman nu kagungan kréasi, katilusponsor dina widang promosi,masyarakat nu ngaapresiasi sarengwartawan dina widang publikasi,” cékNunung Sobari. Pasanggiri TembangSunda Piala Ida Widawati téh diaya -keun dua taun sakali. (aa).***

Page 11: Mangle 2451

10 Manglé 2451

Bagian

181

Peuting ka-213

Kasedih raja parat karahayat. Poé éta mah,loba nu ngeureunankagiatan ana. Nu bogatoko nutup tokona, nukaruli milih cicing diimah-imahna. Pating -laliud nyaritakeun musi-bah nu tumiba kakulawarga raja.

Raja mémang masihkénéh panasaran. Tacanboga kacindekan, nahaputrana téh maot lan-taran direweg sato galakatawa lantaran rampog.Nu jinek, ceuk pikir raja,Komarujaman geus tayadi kieuna.

Pasipatan raja robahkacida. Bangun leungi-teun sumanget. Atuh,kitu na téh mangaruhankana roda pamaréntahan.Dina saminggu téh, rajaukur dua poé ngalaksana -keun pancén gawéna, dapoé-poé séjénna mahukur numpi manéh di

wawangunan hususpikeun pangeling-ngelingka anakna.

Kitu deui Komaru -jaman, keur ngungunharita téh. Sedih kingkinmikiran nasibna. Teunyana bet kitu kajadian -ana, kudu anggang jeungnu dipicintana bari teuapal kumaha kaayaanana.

Najan sedih, Komaru-jaman ngawayahnakeunmanéh nurut kana papa -tah aki-aki nu ngajaga étataman. Cenah, wayahnakudu nungguan mang -bulan-bulan hayangneruskeun lalampahan kanagri Islam téh, lantaranpibakaleun aya kapal nubalayar ti éta nagri kanagri Islam téh dina ahirtaun.

“Wayahna wé hideptéh kudu cicing heula didieu nepi kana waktuna,”ceuk aki-aki.

“Hatur nuhun atuhKi,” walonna.

Tamba teuing euweuh

kagiatan, Komarujamanmantuan meresiihantaman jeung sakali-kalieun milu nyeboranpepelakan. Atuh, kupasipa tan jeung kadaéksemahna kitu, aki-aki téhkacida atoheunana. Tim-bul weh rasa nyaah, asaka anak sorangan.

Béak poé gantiminggu, ahirna nyorangwilangan bulan. Komaru-jaman ngawayahnakeunmaneh cicing di eta tem-pat. Saban waktu inyanananyakeun ka nu bogakebon perkara kira-kirapiindniteun manehna tieta tempat. Ngan, tetelaeta aki-aki téh can bisamere waktu anu pasti.

Hiji mangsa, aki-akinyarita, cenah, poé étamah teu kudu barang-gawé. Cicing wé di saung,teu nanaon numpi manéhogé. Kituna téh, lantaranharita mah poé peré.Paga wé eureun tinapancén gawena, nu dara-gang nutup tokona, kitudeui nu ngarala lauk kalaut poe eta mahareureun. Kituna téh, lan-

taran poé peré téa keur nungagem agama Majusimah.

Biasana, poé éta mahwaktuna silihanjanganjeung dulur-dulurna. Ariéta aki-aki, dina poé étatéh rék ngahaja ulin kabasisir, rek neangan bejairaha-irahana bakal ayakapal nu balabuh ka lebahdinya. Kituna téh, lan-taran harita geus deukeutkana ahir taun. Hartina,waktuna aya kapal nungaliwat ka dinya nusaterusna nuluykeunlalampahan ka nagriIslam.

Jung éta aki-aki téhindit, muru ka basisir. AriKomarujaman, ti sajignapribumi téh, leos wekaluar ti eta wawangu-nan. Ngadon jalan-jalanbari sakalian nyinglar -keun lalangse nungareupeu kan hatena.

Leumpangna memangtaya tujuan. Pikirna, ukurrek leuleumpangan disabudeureun eta kebon.Ngan, lantaran mala -weung, jetruk indungsukuna titajong kana

Page 12: Mangle 2451

Manglé 2451 11

akar. Sorodot nolonjongneunggar tangkalhareupeun ana. Jedaktidagor!

Komarujamanmuringis nahan kanyeri.Ley getih tina tarangnangaberebey. Horéng lainukur buncunur, da nepika soek kulit tarangnatéh. Keur mendet getih nungaberebey, Komaru -jaman téh nyoekeun baju -na, terus diperbankeunkana tarangna.

Kalayan bari rumang-gieung, manehnaleumpang sababarahalengkah. Angkanana mah,rek terus balik kasaungna. Ngan,taksiran teu kuat,pangaruh tinatarangna anu tatukarasana téh lieur.

Brek Komaru -jaman cingogodeukeut tangkalgede nudangdaunan anangarumpuyuk.Geus kitu mah,manehna diuk,ngesod nyarandekana eta tangkal.

Baringararasakeunkanyeri, manehnapeureum. Ngan,kakara ge rek reup,kagareuwahkeunku nu recet dinadahan tangkalluhureunana.Nyah, Komaru -jaman beunta,horeng nu recet téhmanuk dua keurpahareup -hareupkalayan nyoarapatarik-tarik.

Meh barengmanuk nu dua téhngagalaprak, silihtarajang. Gergalungan, silih -pacok silih bintih.Taksiran, ku lan-taran pada-pada

kuatna, itu ieu ge tacankatingali tanda-tandabakal aya nu kasoran.

Komarujaman nga -huleng. Kakara haritanempo manuk galungankawas kitu. Da biasanamah, mun diadu téh ukursageprakan, tangtu nu hijimah buru-buru kabur. Ariharita, manuk nu dua téhlir bebeakan, kawas nurela nepi ka ajal, da bukti -na, apan najan bangunraripuh ge angger kenehtaya nu boboleh ngakueleh.

Sanggeus sababarajongjongan, kakara aya nueleh. Tapi, lawanna ba -

ngun nu tacan sugema.Da eta we, lain hiberninggalkeun lawanna,malah jebrod ngabintih,nu saterusna macokgenge ngerong lawanananepi ka sapat. Geleberweh manuk nu ungguldiadu téh hiber kalayanbari ngaranggeum hulumanuk nu kasoran tea.

Awak manuk nu eu-weuh huluan ngoleang kaka handap. Gubrag wehka hareupeun komaru -jaman. Awak manuk teuusik-teu malik, da puguhdi luhur tangkal keneh gegeus paeh!

Tacan reureuh tina

kakagetna, kadenge soramanuk sejen dina dahan.Breh tembong manuk duakawas sajodo. Uclag-acleg dina dahan bari teureureuh disada. Matanagular-giler ka handap.Geus kitu, siet weh nyiro-rot ka lebah bangkemanuk hareupeunKomaru jaman.

Cle napak kanataneuh, duananangadeukeutan bangkemanuk sejenna. Bruk-bruk dareku, macokanawak eta manuk. Geuskitu, dua manuk téhtarungkul ba ngun sedih.

Komarujaman herankacida. Kakaraharita nyaksianparipolah manukkawas kitu. Kawasmanusa nu bogarasa, aya kanyaahka sasama. Tak-siran, eta manuktéh ngartieun,baturna geus paeh.

Duana pating -arunggut. Geuskitu, macokanjeung ngoerantaneuh. Nu ka-hartina kuKomaru jamanmah, meureun etamanuk nu duatéh, ngali taneuh.

Beuki lila,taneuh nu di-galina beuki jero.Geus pimahieunngubur manukbaturna, etamanuk nu dua téhngaclegngadeukeutanbangke baturna.Kalayan dicakaranjeung disered kupamatuk na, bruswe bangke manuknu eleh diadu téh,diabuskeun kanalombang. ***

(Hanca)

Page 13: Mangle 2451

12 Manglé 2451

Paéhna Si Abdullah, kusabagian pangeusi Ban-dung babakuna nu

nyarahoeun jeung nu geusngarasakeun kajahatan SiAbdul lah, dianggap meujeuhnamalah adil. Nu geus pasti diBandung ngurangan ulon-ulonsaurang, purah ngagoda nungarora, purah nipu, purahlicik. Nyi Rapiah ogé angga-panana, punjulna ti nu lian téhmaké karunyaeun ka NyiNisah, anak pangasuhna barétokeur leutik, jeung terangeun,yén Nyi Nisah maké méh taramilu ngadahar rejeki Si Abdul-lah beunangna teu halal téh, dagegedéna mah dahar pakéusaha na pribadi, buburuh téa.

Sabalikna ari maruna mah,Agan Sari, gegebegan rerenja-gan téh alahbatan usum gelapdor-dar, sabab yakin yén SiAbdul lah paéh téh nginumracunna pribadi, sasat meu-nang mang meulikeun Agan.Najan teu sidik kumaha sabab-sababna nu matak racunlegukna bet ku Si Abdullah lainka Nyi Rapiah, teu keudeu hatéAgan Sariningrat lir anak ucingkaturuban sarung, abrug-abru-gan teu daék cicing, mani asamanéhna priabdi nu ngalolo SiAbdullah téh. Mangkaning

béja na pulisi keur ngulincernéangan nu boga dosana.Leuh, kumaha lamun kabitur?

Paingan cék omong kolot:“Moal tulus jadina utama,lamun jail ka papada jalma.”Buktina cara Sari; tadina geusbener-bener, pasrah sadrahkana kadar, rumasa jadi nungora naha maké marudahngabeka, boga rasa aing luhur,sangeuk diunghak ku cacah.Samarukna kaluhuran jalmatéh anggeus ku jadi turunanménak baé, anggeus ku beung -har baé. Samarukna kaména -kan kabeungharan téh cukupgeusan dijieun takeran ka-mulyaan. Bisa jadi cacah téhserab ku gurilpna kaména kan,bisa jadi somah téh serab kuruhayna kabeungharan, tapisérab téh acan ngandung hartingamulyakeun jeung ngajénan.Cara banténg sieun ku singa,sieun dina harti mending ulahamprok, men ding ulahpasendatan. Tapi lamunsakalieun amprok sartasakadang singa rék nekuk mah,atuh banténg gé da boga euntanduk. Ciri kamulyaan jalmatéh: hiji budi na, dua amalna.Ka jelema nu geus paéh, ni -neung téh lain kana ménaknaatawa beungharna, tapi leungi-

teun ku budi na, pinterna,kabisana, kadaékna, hasilgawéna.

Ngajénan ménak jeungngajénan nu beunghar sabothirup, nutur aub atawa ngarahkuah beukah. Ada gula, adasemut.

Tapi jalma anu mulya enyamah, najan geus paéh rébuantaun gé tetep dimulyakeun baé.

Serabna jeung ajrihnasomah ka ménak jeung ka nubeunghar gé kitu. Semet dialagawéna atawa diala tanaganasomah téh sadrah; nepi kadiperih pati, dipuraga di-wadalkeun pisan, biasa jadisomah téh moal baha asalkarasaeun gunana; tapi ...lamun geus diraheutan haténa,ditarajang rasana, tah lebahdinya mah sabodo cacah,sahéngkérna somah moal teuhudang ... ngalawan!

Ari jalma téa, saha-saha gémoal daékeun dinyenyeri mah;ninggang di Nyi Rapiah, luasngaguyurkeun ngagujrud keun;ana dibales ka awakna pribadi;ceuk basa pakampungan teamah katulah ku tulangbeuheung na sora ngan. Leuwihti kitu, dasar bagja-cilaka aridatang tampolanana sok tara“sosorangan” tapi “ngaleut”mawa batur, ka Agan Sari ogénya kitu. Ari sababna, isuk étatéh Usman disaur ku patih kakamar na, dipénta tanggungjawab bab parekin kopi jeung

laladangan kai, sabab réaangka nu teu cocog, boh angkatanggal boh angka jumlah.

Najan patih henteunyarekan maké sia-aing, malahsabalikna teu tinggal di leuleuyjeung tartib, tapi ku Usmankarasaeun, yén lamun buku-buku téh paruguh alang-ujurnamah moal inggis ngalapor keunka pulisi.

Ari patih téh ménakenyaan; bener tur beresih kahaté-haténa, disebut panyaluu -han rayat téh ieu mah enya,lain ménak dapon ménak. Kanu salah, tara pilih kasih, teungitung sobat atawa baraya, arimistina dihukum mah di-hukum baé. Najan cacahkurica kan lamun sidik lem-peng-bener, moal teu dibélaan,dimeunangkeun.

Ku kawijakan patih,Usman ditémpoan saminggusina bébérés menerkeunbukuna. Dijalanan kitu téh ayadua maksud: cenah buku téhlain dihaja diacak-acak, tapimémang kaliru atawa gagabahbaé, atuh basana gé tara ayakakaliruan buku anu teu beu-nang dibébérés; ceunahkusutna ku dihaja diacak-acak,atuh tambah kuat pibuktieunka pulisi.

Balik ti pagawéan –da gili-ran di Nyi Rapiah—nyampakpamajikan api lain, datangsalaki téh sumawonna haripeutngabagéakeun, jongjon baé

{ 20 }

Ku M.A. Salmun

Page 14: Mangle 2451

Manglé 2451 13

ngarénda, teu béda ti kaasupanucing, teu digebah teu di -sambat. Ari pék ambeh Aomtéh, teu wani, da itu mangkelukSi Roda teu jauh ti panto! Mi-nangka dahar capé balik ti kan-tor, cama-cimi sagala teumirasa; ku Nyi Piah teu di-garah-geureuh, tonggoy baéngarénda. Bérés dahar, gékdiuk di gigireun Nyi Rapiah, di-anggap angin baé. Ngan barangrék leleson, ceuk pamajikananatéh: “Moal ngalayad kapahlawan kadeuheus?”

Aom Ngarandeg:“Ngalayad? Na saha nu maot?”

Nanya kitu téh enyaan teunyahona, da tadi ti kantor teureureuh diguliksek ku patihtéa. Kaluar ti kamar patih,babatu ran teu aya nu ngabéja -an, yén Si Abdullah paéh ayanu ngabaruang, saperkara bisiAom ngabarérang duméh tasdibenduan ku patih, ka duana,éta téa, mimiti réa nu ijid kaUsman téh, réa nu ngareng-gangan, komo nu boga pamaji -kan tegep mah.

Nyi Piah ngadilak: “Weeeh,mamandaluanana, sieunkabawa goreng, mun teu rék didinya gé nu boga dosana?”

Aom rada nyereng: “Singbener ngomong téh Piah! Naontéa ieu téh?”

Nyi Piah ngajanggilek,ngomongna leuleuy, adab tapihandap lanyap: “Sumuhuntimbalan, Aom, gegedugkakasih. Agan Abdullah tilardunya tadi énjing, aya nungabaruang, wartosna létahnagé ngelél sapertos Si Koplok,socana gé kulan, wartosannarongtot sieun teu awasnénjo an dosana. SanagaraBandung anu nawingcécéwérna mah parantoskawartosan piraku gamparangé teu ngadangu, da ari ayaranda anyar mah cepil téhmani alahbatan ceuli léntah.”

Aom Usman, nya panas-peurih ku ucap-ucapna NyiRapiah nya kagét ku béja,ceulina mani pating harieng,nurutkeun napsu mah hayanggampleng-gampleng baénampilingan, hadéna –uyuhan!—kuat kénéh nahanamarah, leguk nginum heulameper napsu, lengo nempo SiRoda ti panto bari nanya:“Roda, enya si Abdullah téhmaot?”

Roda: “Rék teu percayakana omongan pamajikan per-caya ka saha deui, atuh?”

Usman: “Éta da, Nyai jigaheureuy.”

Nyi Rapiah nyeuleukeu-teuk, kapiasem ku lalaki dedegsampé rupa hadé ari pucuscara beurit. Pok ngomongenyaan teu ngamaénkeun,karunya: “Yaktos gamparan,pun Abdullah téh maot, tadienjing, aya nu ngaracun, malahpulisi nuju milarian nu gaduhdosana. Sageuy gamparan teukawartosan.”

Aom Usman kakara per-caya enya: “Akang téh sapoéieu di kamar juragan patih, numatak gé. Lain, Piah atuhAkang salah mun teu ngalayad,rék ka ditu atuh ayeu na nya!”

Nyi Rapiah: “Mangga baé,ongkoh ti tadi gé abdi naros.Asal ulah lalajengan baé.”

Nyebut: “Ulah lalajengan”téh ku Usman gé kahartieun,maksudna mah: “Ati-ati sialamun ka imah Si Sari!”

Geus dangdan garudas-garidus gesar-gesut, clakUsman kana per, meunangngeureunkeun Si Roda titahanNyi Rapiah. Mani neger ka Ba-batankeun, ari datang nyam-pak mayit keur diturun keun ti

imah. Daékeun sotéh jalma-jalma mulasara jeung nga -gotong mayit Si Abdullah,sakituanana mandang Ki Lebejeung Ibu Haji Ubeng, teungadeuleu ka eta jelma duamah, boa nepi ka isukan mahéta mayit téh ngalojor kénéh.

Nyi Nisah anu geus pohokana duduga peryoga, nénjoUsman turun tina per maninyirinting nyampeurkeun barinyarékan: “Tah ieu yeuh,jelema ieu anu mamawa kojorsalaki kami téh. Lamun teunutur-nutur jelma kieu mah,meureun salaki kami téh hirupkénéh.”

Nu araya pada hideng, NyiNisah geuwat pada ngarawat,ku Ua Pancir sasatna dipanggulka jero imah. Kahartina kusaréréa, ngaweweleh biasa baé,duméh enya si Abdullah sokngikintil Aom. Saemet deuipisan, bis baé Nyi Nisah ngam-bat-ngambat “pélét” nu ceuk SiAbdullah keur peuting magarpaméré Aom Usman geusanNyi Rapiah téa. Lamunsungutna teu kaburu dibekemku Ua Pancir (maksud na ulahsina nyarekan ménak!) wah...rasiah Agan Sari sasat beunangkuncina.

Puguh baé Aom wiwirang

di kolong catang, dicarékanbari ditutunjuk ku pantaranNyi Nisah tur di hareupeun réajelema téh.

Kawas enya lampah dorakatéh sok mawa sial, bukti na caraAom Usman nu betah dinadora ka, sagala téh ngan sial-bengsal baé. Di kantor digotrokku dunungan, di imah direhengku pamajikan duanana, dipanya baan ditutun juk ku deu -ngeun. Ampun!

Rarasaan Aom, mani asateu boga beungeut bawaningku wirang, léos baé balik deui,teu kaduga terus nganterkeunmayit. Hadéna per nu tadi acanindit, clak deui baé kanatutumpa kan éta. Ari datang kaimah Nyi Piah, rarasaan geuskieu lain kitu lain, rasa bawa tikantor can lipur, reheng NyiPiah karasa kénéh, wiwirang diBabatan asa nampoléd dinabeu ngeut, ambek nyedektanaga midek, segruk baéceurik, harita karasakaduhungna ku sakabéh laku-lampahna nu kaliwat.

Dasar keur sial, kahartinaku Nyi Piah mah lain ceuriknyeungceurikan diri, tapiceurik sedih ditingal maot ku SiAbdullah, atuh poharagirukeun ana ka salakina, betmaké melang ku durjayana anutetela sakitu jahatna.

Lamun jalma eukeur sial eu-keur sué, sok jeweh. Muru luput moro lepotmuntang pegat, harésé. Nété semplek nincak semplaksarwa salah, teu bérés.

Aom Usman kitu kagok kieupugag, ngéng léwéh.Pamajikan lain nyombo kalahngantep, lah réhé.Nya ayeuna karasana salahtincak teu hadé.

Sakumaha anu geusdicarita keun, lamun AomUsman keur kilir di NyiRapiah, Agan S

ari sok kasémahan kuAnom Belem. Harita gé, nyakitu.

(hanca)

Page 15: Mangle 2451

“Ma-Lima” singgetan tina Ma -ling (ngabangsat,korupsi)), Madon(jinah, lacur), Main (adu-aduan,judi), Maténi (maéhan), jeungMadat (mamabokan, inuman keras,ganja, narkoba, shabu-shabu). Ieusinggetan, karya linuhung parakaruhun, sangkan babari dipika-harti ku balaréa. Sangkan saréréangajauhan laku kitu. Tong borongarempak limaanana, nyoba-nyoba milampah hiji ogé, geusmatak bahla saumur-umur.Ngukundang balukar goréng nepika jaga. Parat ka ahérat.

Tapi kiwari, “ma-lima” kawasgeus teu dianggap perkara badag.Boa geus jadi fosil pinuh kebulsatengahing sikep katut sipathedo nis, materialis, sarta ngumbarhawa napsu di mamana. Teu man-dang tempat,teu mandang tingkat.Ti lingkungan masarakat larabakangsak,nepi ka lingkungan élitnu sarwa hurung hérang. Mimiti kupribadi-pribadi, nepi ka ku kelom-pok, institusi, katut lembaga . Ma-Lima kiwari geus jadi kalangenansapopoé nu kawilang lumrah.

Contona “maling”. Wangunnageus rupa-rupa. Korupsi, suap-sogok, gratifikasi, mark-up, tupa-tipu, jsb. Nu migawéna,lainsaurang dua urang. Tapi berja-maah. Nembrak negrak, teu susu-lumputan deui. Tempatna, bisa baédi hotél méwah, gedongDPR/DPRD, imah konglomérat,kantor aparat hukum, jeung sajaba -na nu teu pipantesan dipaké kiki-tuan.

Lacur ogé geus terang-terangan.

Teu nyamuni bari ukurngalampiaskeun sahwat. Ayeunangahaja dirékam. Didokuméntasi -keunana dina foto atawa vidéo.Disebarluaskeun ambéh sohor jadibahan warta. Teu miduli ancamanhukuman jeung panghujat ti sisitigigir.

Ari “maling” jeung “madon”, sokngantét bareng. Kasus suap impordaging sapi, nu dipilampah ku AFjeung LHI, apan ngalibetkeunsababaraha urang kaom wanitakelas selebritis. Kitu deui, KetuaMK manten,AM, kabéjakeun ngiri-man duit ka sababaraha urang artisdangdut kamashur, nepi ka ratusanjuta rupia.

Maén alias judi, baheula mahukur pirajeunan. Ayeuna mah geusmangrupa perkara nu teu bisadipisah keun tina kanyataansapopoé.Boh adu-aduan nu katénjolangsung jentulna, bangsaningtarohan, lotré, ngadu muncang,ngadu domba, jsb., nepi ka adu-aduan nu teu katénjo (abstrak) tapingandung unsur judi. Hayang jadiPNS, hayang katarima ka paguronluhur, pilkada, pilbup, malah pil-pres, jeung pileg, teu leupas tinajudi. Dipaké tumpangan saha numeunang saha nu éléh,dipaké lahansuap sogok,jsb.

Maténi atawa maéhan, geus teubireuk deui. Teu béda ti sasarap.Barang bray koran dibaca, barangtivi disetél, langsung disampakkeunwarta rajapati. Ti mimiti maéhanbiasa, nepi ka mutilasi. Aya nulangsung kapanggih, aya nu mang-taun-taun lebeng.

Sajaba maténi nu aya hubunganlangsung kana nyawa papadamanusa, aya deuih maténi nusipatna samar-samar. Tapibalukarna mah sarua. Malah boaleuwih réa nimbulkeun korban.Nyaéta “maténi” kapercayaan rayatku para wakilna di DPR/DPRD.Maténi aspirasi, maténi kajujuran.Para wakil rayat di DPR/DPRD,geus teu beunang dipercaya deui kurayat, lantaran goréng gawé jeunggoréng kalakuan. Geus teu narimadeui kapercayaan rayat, lantaranmaranéhna geus wani curang,gedebul. Mindeng kajadian parawakil rayat studi banding ka luarnagri. Ngan ukur ngaran wungkulda dina prakna mah ukur jalan-jalan,balanja, piknik, jsb. Padahaldiongkosan ku duit rahayat.

Kungsi kabéjakeun dina koranjeung tivi, sawatara urang wakilrakyat, nu keur arulin ka Swissrerence pan. Ngakukeun keur gawélapangan di Mesuji, tapel watesProv.Lampung dan Sumsel, nuharita keur nandangan uru-ara.Maranéhna wani ngabohong keurnutupan bohong-bohong sejenna.Maranéhna geus “mateni” atisanubarina di parlemén. Geus“maéhan manéh” sakaligus“maéhan rayat”na sorangan. Atuhteu béda ti “zombie”. Mayit hiruptukang ngajujurigan kahirupanjalma normal.

Madat – udud candu -- baheuladikonsumsi ku salah sahiji étnis,dina tempat husus. Diawaskeun kuaparat nu tegas. Ayeuna mah sahabaé, teu mandang etnis,teu man-

“Ma Lima”Geus Mahabu Kabina-bina

Ku Usép Romli HM

14 Manglé 2451

Page 16: Mangle 2451

dang umur, rek awéwé rék lalaki,lirbébas laluasa ngamadat. Mindengdigerebeg, ditéwakan, madatna(narkoba,shabu-shabu, ganja, jsb),dirampas. Dimusnahkeun. Nu nga-gunakeunana dihukum taun-taun.Tapi angger taya eureunna. Tayakakapok, lantaran barang-barangnu dipikabutuh teu weléh nyam-pak.

Naon nu dipiharep ti hiji bangsadi hiji nagara anu geus katerap pa-nyakit ”ma lima”? Saban rénghap,geus eungap ku “ma lima”. Dibung-buan ku bohong gedebul nu bisa di-paké pipinding tina ancamanhukum.

Komo lamun nu nyandu kana“ma-lima” jeung gedebul wadul téh,réréana élit-élit pinilih bangsa ?

Padahal para élit boga wewe-nang keur ngarobah kaayaanbangsa jeung nagara, tina goréngkana alus. Sangkan rayat tenang,tengtrem, bagja, raharja. Tapi betkalah nambahan kasusah, kaka-cauan,katut karuksakan dina sagalawidang kahirupan ku cara miara“ma lima”.

Dina Alqur’an, ditétélakeun,jalma nu meunang kani’matankakawasaan katut kaméwahanharta,disebut “mutrofin”. Nganlantaran dina ngagunakeun kani’-matan jeung kaméwahan téh, teuluyu kana aturan Alloh SWT, malahdigunakeun pikeun ma’siat kaAnjeun na, istilah “mutrofin”sok di-hartikeun “jalma-jalma nu geusgarempak wates wangen”. Nyaétamilampah “ma-lima” jeungngaréakeun wadul gedebul.

Nu matak, jalma samodélkitu,”mutrofin” téa, mangrupasumber kaancuran bangsa katutnagara, sakumaha dawuhan AllohSWT dina Quran :

“Saupama Kami rék ngabinasa -keun hiji nagri, mangka Kami barismaréntahkeun ka jalma-jalma nuhirup méwah di éta nagri (sangkanta’at ka Alloh), tapi maranéhnaanggur durhaka, nya geussapantes na tumerap katangtuanKami enggoning ngancurkeun étanagri nepi ka ancur pisan.”(S.Isro :16).

Geus jadi kabiasaan ti béh ditumula, kaum élit di saban nagara,

sok ngarasa rugi ku ayana aturanAlloh SWT. Ngarasa kasengker kuhukum Islam. Ngan rék nolakterang-terangan, teu wasa, da hatéleutikna ngaku Muslim.Antukna,sok pipilih. Hukum nukarasana hampang, teu ngaganggukapentingan dirina pribadi, sok di-tarima. Tapi hukum nu matak beu-rat, ditolak sapajodogan.

Ngeunaan hal ieu, katangéndina S. An Nur :47-50. Yénmaranehna ngaku percaya ka AllohSWT sarta RosulNa (MuhammadSaw). Ngan lain iman, sabab terusmalieus, lamun kudu anut kanahukum-hukumNa. Kajaba lamunngarasa matak nguntungkeun di-rina. Naha haté maranéhna nan-dangan panyakit? Naha maranéhnamangmang? Atawa kasieunanlamun hukum-hukum Alloh téhmatak ngarugikeun? Teuteusingna.Nu jelas, maranéhna kaasup jalma-jalma dolim.

Lamun “ma-lima”geus nerekabdimamana, éta pertanda bakalancur na bangsa jeung nagara. Karinganti-nganti dawuh ti Nu MahaAgung. Nu Maha Kawasa ni-bankeun azab “ti luhureun sirah”jeung “ ti handapeun suku” (Q.s.alAn’am : 65). Numutkeun pamen-dak Ibnu Abbas,nu dimaksud azab“ti luhureun sirah” téh nyaeta “a-immatus suu-i min umaro-ikum”.Nyaéta para pangawasa bangsajeung nagara nu jarahat. Tukangmilampah “ma-lima”. Ari azab “ tihandapeun suku”, nyaéta “min a -bidikum wa siflatukum”. Rayat nubedang wangkelang, sakarep-karep, lantaran taya pamingpin nubisa dipercaya ngaping ngajaringmaranéhna.

Niténan kaayaan kiwari, nu geusnerekab sagala rupa kalakuan”malima”, meujeuhna lamun uranggancang aréling. Bisi azab AllohSWT tumiba mantén.***

Manglé 2451 15

tina internet

Page 17: Mangle 2451

5. Ucing jeung TitiranAya titiran, ngaléléwé kalakuan ucing

nu unggal poé sok mindah-mindahkeunanakna.

Ceuk titiran téh, “Ucing, naha manéhmah loba teuing ceta hayang anak salamettéh? Meureun sangkan ulah dihakan kumusuh manéh nya. Saha anu mapatahankudu ati-ati kitu téh?”

Ucing ngajawab, “Ah kanyaho soranganbaé, euweuh nu mapatahan. Balikananmanéh, da sainget kami tara ieu mindah-mindahkeun anak. Nu matak anak manéhmah mindeng aya nu nyokot, boh ku jelemaboh ku kami.”

Hartina ieu dongéng: Jalanna urangkudu ati-ati téh bisa ku ngawaskeun kasala-han anu séjén. Éta nu ngaranna kapinteran.Nu hadé nu goréng bisa dipaké conto.

6. Beurit jeung LandakKeur usum tiris aya landak jeung beurit

cantung. Landak boga paménta, hayangmondok dina liang beurit cantung dahayang nyingkahan hawa tiris. Teu mikirpanjang, beurit gancang baé nitah landaksangkan asup kana liangna.

Tapi barang geus asup kana enggonbeurit, Landak kalah cicing baé teu bijil-bijil. Malah tuluy ngeunah-ngeunah baé,depa dina liang beurit. Atuh nu bogaliangna téh ngénca ngatuhu kukurilinganteu bisa asup. Tina heurin jeung rungseb kuseukeutna bulu landak. Bororaah bisa ci -cing, meus-meus kacocog ku bulu sémahna.

Beurit cantung kacida kaduhungeu-nana, rumasa salah teu panjang mikir. Nepika antukna beurit téh pok nyarita ka landak, “Ayeuna déwék geus teu betah euy cicingdi luar. Ari rék asup ka jero heurin ku silaingda liang déwék téh teu bisa dicicingan kuduaan. Nu matak silaing ayeuna gancangkaluar ti liang déwék!”

Tapi landak kalah ngajawab bari seuri,“Saha anu teu betah cicing di jero ieu liang.Untung baé manéh tadi bijil, da déwék mahmoal arék nyingkah undur tina ieu liang.Puguh sakieu genahna.”

Hartina ieu dongéng: Mun urang rékngawawuhan jalma, kudu dipikir heulamasing asak. Sok réa jalma manggih ka-susah lantaran gancang nyobat jeung teupanjang mikir.

7. Embé Badot jeung Sapi JaluAya embé badot nu kacida bedasna.

Sasama embé atawa dulurna kabéh taya nukaduga nandingan karosaanana. Nu matakéta embé badot téh jadi sombong, boga rasaeuweuh nu bisa ngalawanan manéhna.Malah hiji mangsa mah éta embé badot téhwani nangtang perang ka sapi jalu.

Barang papanggih jeung sapi jalu, tuluyanggang-anggangan baé taki-taki, maksudrék neunggar. Sebrut, gapruk sapi jalu téhditeunggar satakerna. Puguh baé embébadot téh ngajurahroh kalenger, satengahpaéh. Tandukna remuk. Ari sapi nu teu kua-kieu, tuluy baé indit deui.

Barang embé badot sadar deui tinakalengerna, aya sobatna, embé séjén, ngali-wat ka dinya. Pok sobatna nanya, “Keurnaon euy, ngadon ngajoprak di dinya?”

Embé badot ngajawab, “Ah, hayangnyaho baé kana kakuatan awak sorangan.Nyoba-nyoba kabedasan.”

Hartina ieu dongéng: kalakuan embébadot téh ngabuktikeun hiji omongan yénnu sombong mah méméh meunang cilakasok pulutat-polotot. Ari geus cilaka mah sokngaléhléh.

8. Kaldé, Manuk Gagak, jeung NuNgangon

Aya kaldé keur nyatuan jukut deukeuttegal. Ditumpakan ku gagak bari macokankulitna anu babak. Puguh baé kaldé téhnye rieun kacida. Sabisa-bisa manéhnagigib rig sangkan gagak nyingkah tina tong-gongna. Tapi gagak téh teu daékeun nying -kah baé.

Teu jauh ti dinya aya nu ngangon.Ngan, gagak anu keur macokan téh diantepbaé. Ukur dideukeutan, ari digebah mahhenteu. Malah mah kalah ka seuseurianbari nempo kalakuan kaldé nu dianggapna

ukur sisiwo.Kaldé gegerendeng, “Emh, kanyeri

déwék téh jadi dua ayeuna mah. Ari sabab,jalma anu sakuduna nulungan déwék, betkalah nyeungseurikeun.”

Hartina ieu dongéng: Taya nu leuwihnyeri haté kajaba ti dicacampah. Tapi saha-saha anu nyacampah, nyeungseurikeunkanyeri, kasusah, atawa kawirang batur, étajalma pantes dipikangéwa.

9. Manuk kérak Tinggal Parung-pungna

Di hiji leuweung aya kérak nu keurmuru parungpungna. Ngan baé éta parung-pung nu jadi sayangna téh horéng geusdilindih ku ciung. Malah éta ciung téh geusngendog jeung megarkeun anakna dinasayang kérak. Jangjang anak ciung geus hu-mihid.

Ngan baé éta anak ciung téh siga geusteu salabar ngadago usum, geus hayanghiber baé bijil tina parungpung. Dicarékmah dicarék ku indung bapana téh, tapitara ieuh didéngékeun. Barang kolot-kolotna keur pareng nyaba, salah sahijianak ciung téh kaluar tina parungpungtuluy hiber. Lantaran buluna jangjangnatacan pepek, atuh hiberna ogé teu jauh,tuluy murag kana taneuh.

Éta anak ciung téh kapanggih ku budakangon, tuluy dipaké kaulinan. Sukuna nuhiji ditalian ku rara, disangsara sapoé jeput.

Barang jangjangna geus pepek, éta anakmanuk ciung téh boga karék rék kabur, teumiduli kana sukuna anu dicangcang pageuhpisan. Tapi, manéhna maksa baé hiber sa-taker tanaga. Enya bisa lesot mah, tapisukuna sempal sabeulah, tinggaleun dinacangcanganana. Atuh jadi cacad saumurhirupna, sarta jadi ngariweuhkeun dulur-dulurna nu welaseun ngurusanan,diperenah keun dina dungus.

Hartina ieu dongéng: Ulah réa teuingmawa karep sorangan mun tacan mampuhkatanagaan mah. Dina waktuna meunangsial, jadi apes saumur-umur.

(hanca)

Dongéng-DongéngPieunteungeunR.H. Muhammad Musa

16 Manglé 2451

Page 18: Mangle 2451

Ngarengsekeun studi diUniversitas Pasundanhenteu enteng, butuh

karep jeung kadaek ngulikelmu anu daria. Komo dinamangsa kiwari, era globalisasi,persaingan teh kacida beu-ratna. Ku kituna dina nyang-hareupan eta persaingan, lian tikarep jeung kadaek teh, tangtukaweruh (kopetensi diri) jadibekel utama anu baris nyum -ponan harepan. Tangtu, etakopetensi bakal dicangkinghenteu ujug-ujug kitu wae, nyadilakonan ku karep jeung per-joangan boh sacara materi bohnon materina. Tapi, ku kaaje-gan jeung kapancegan diri, etaperjoangan teu mustahil, nyabaris kapetik naon nu jadi cita-cita jeung harepan pikeunnyumponan kabutuh hirupsapopoe. Nya dibuktikeun dinawisuda ieu, para wisudawan tehgeus nyuprih perjoangan kuelmu pangaweruh anu dike-muna.

Eta hal panyumanget jeungbekel kaludeung keur para alumni Unpasditepikeun ku Rektor Universitas Pasun-dan (Unpas) Bandung Prof. Dr. Ir. H.Eddy Jusus Sp., M.Si., M. Kom., basaacara wisuda sarjana, magister jeungdoctor Universitas Pasundan GelombangI taun akademik 2013/2014 sawatarawaktu anu anyar kaliwat di gedongSasana Budaya Ganesa (SABUGA), Ban-dung. Harita Acara wisuda Unpas teh di-gelar dua poe. Poe kahiji (13/11 2013)wisuda program S1 PSKGJ/PPKHBFakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan(FKIP), sarta poe kaduana (14/11 2013)wisuda program S1,S2 jeung S3. Hadirdina eta acara Prof. Dr. HM. Didi Tur-mudzi, M.Si., Ketua Umum PB.Paguyuban Pasundan nu oge DirekturFakultas Pasca Sarjana UNPAS, Drs. H.Makbul Mansur, M.Si., Ketua YayasanPendidikan Tinggi (YPT) Pasundan, parasenat guru besar Unpas, sarta tamu on-

dangan sejenna.Jumlah wisudawan program S1

PSKGJ/PPKHB reana 1.523 urang,ngawengku ti sababaraha daerah diJawa Barat, di antarana ti Wilayah Kabu-paten Cianjur 104 urang; Wilayah Kabu-paten Purwakarta 247 urang; WilayahKabupaten Majalengka 242 urang;Wilayah Kabupaten Sukabumi 72 urang;Wilayah Kota Sukabumi 38 urang;Wilayah Kabupaten Indramayu 171urang; Wilayah Kabupaten Ciamis 264urang sarta Wilayah Kabupaten Garut 79urang. Ti sakitu urang jumlah wisu-dawan, aya 6 urang wisudawan nu meu-nang predikat unggulan, diantaranaAsep Edi ti wilayah Kabupaten Cianjur(nilai sidang 3,84), Ratna Gumilar tiwilayah Kabupaten Purwakarta (nilaisidang 3,96), Dede Komara ti wilayahKabupaten Majalengka (nilai sidang3,90), Padilah ti wilayah Kabupaten Suk-

abumi (nilai sidang 3,85), TresnaPermata Agustiani (nilai sidang3,85), Konirin ti wilayah Kabu-paten Indramayu (nilai si dang3,81), Sa’diyah ti wilayah Kabu-paten Ciamis (nilai sidang 3,87)sarta Yanyan ti wilayah Kabu-paten Garut (nilai sidang 3,85).

Sawatara eta, jumlah pasertawisuda program S1, S2 jeung S3reana 1.213 urang, ngawengku 112urang ti Fakultas Hukum; 207urang ti Fakultas Ilmu Sosial danIlmu Politik; 128 urang ti FakultasTeknik; 182 urang ti FakultasEkonomi; 394 urang ti FakultasKeguruan dan Ilmu Pendidikan;34 urang ti Fakultas Ilmu Senidan Sastra; 49 urang MagisterIlmu Administrasi; 38 urangMagister Manajemen; 16 urangMagister Ilmu Hukum; 3 urangMagister Teknik dan ManajemenIndustri; 3 urang Magister Tek -nologi Pangan; 30 urang MagisterPendidikan Matematika; 15 urangProgram Doktor Ilmu Manaje-men, sarta 2 urang ProgramDoktor Ilmu Sosial.

Rektor Unpas netelakeun, keur nata-harkeun pangwangunan nu tuluy-tu-luyan, butuh atikan anu jinek. Kitu teh,lantaran pangwangunan ekonomi ge du-masar kana ajen sumber daya manusa.Tumali jeung karep ngawangun sangkanjadi bangsa pinujul, pamarentah ge kudubener-bener ngupayakeun pendidikankalayan daria.

Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi,M.Si.,Ketua Umum Paguyuban Pasun-dan nandeskeun, kahirupan kiwari lobanu pikahariwangun. Contona, cenah,pasipatan-pasipatan goreng ge gesunembrak, saperti mentingkeun diri so-rangan, teu ngaharegaan kana prosesleuwih mentingkeun hasil, malahkahirupan nu bengis ka sasama ge nem-brak naker.

Ku lantran kitu, kacida butuhna etikajeung moral agama nu bisa magerankahirupan. ***

Manglé 2451 17

Unpas Ngahasilkeun Lulusan Pinunjul

Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusus Sp., M.Si., M. Kom.,Rektor Universitas Pasundan

Page 19: Mangle 2451

18 Manglé 2451

Panonpoé nukeur sumedengmentrangan,mawa hanaangjeung bayeung -

yang nu teu bisa disingka-han deui. Malah di sabu deureun,kebul knalpot tina mobil-mobil nu ngareteyep masihanteng maturan sapangeusimobil nu harita keur di-tumpakan. Teu ngan semetdinya, lampu beureumstopan milu moncorong,mobil ngarengkog eureundina tengah-tengah keuke-upan sarangéngé.

Kuring rumahuh.Dampal leungeun ngage-beran beungeut. Bari nung-guan mobil ngalaju deui,kuring ngalamun, nang -geuy gado dina lawangjandéla mobil. Keur antengngalamun, sora supirangkot gigireun kuringngageuingkeun tina lamu-nan.

“Tos biasa Gasibu mahtempatna macét!” ceukmanéhna méré nyaho kapanumpang beulah tukangnu geus luh-lah ti tatadi.Mémang enya, di Gasibumah macét téh geus jadisusuguh sapopoé.

Ari nu ngalantarankeu-nana mah, salian ti kungahunyudna tukang da-gang, sok réa supir angkotnu ngaretém sangeunahnadi sisi jalan.

”Naha geus jadi kalange-nan, ngetém téh Mang?”ceuk kuring kukulutus jerohaté.

Basa kuring teu kahajangarérét ka beulah katuhu,di buruan Gedong Satékaténjo loba jalma nu nga -liud saraged maraké jas ala-mamater hiji kampus nulumayan sohor di KotaBandung. Hawar-hawarkadéngé tina pangeras sora,wawakil ti maranéhna keurorasi. Najan teu pati ka -awas sabab pajuliwet jeunggerungna sora mobil sarta

sora kalakson nu hayoh-hayohan tingtaridid, tapisaliwat mah kadéngé tu-juan éta aksi téh nya étanungtut naékna UMR KotaBandung.

Bakatning ku panasaran,kuring teu neruskeun deuilalampahan, malah ngolo -yong ngadeukeutan nu keuraksi. Beuki deukeut beukijelas. Bandéra-bandéra

idéntitas organisasi étamassa aksi, tingkélébét dilangit Gasibu. Spanduk nueusina nungtut pamaréntahnaékkeun UMR ogé teukaliwat dibébérkeun kumaranéhanana. Malah nepika diacung-acungkeunsagala. Ngahaja siganamah, ambéh kabaracaeunku nu laliwat.

Keur anteng merhatikeun

nu keur aksi, hiji wanojaujug-ujug norojol kaluar titengah-tengah riungan.Panonna cureuleuk.

Leungeun kéncana di -keupeulkeun. Sedengleung eun nu katuhunanyekel microphone bari teureureuh ngagorowokkeuntungtutan-tungtutanana.Jujur waé, kuring ngarasakasima ku sora éta wanojanu harus ngagulugur lir gu-ludug nu bijil tina jajantunglangit.

“Hidup Mahasiswa!”gorowok manéhna tuluy di-turutan ku jalma-jalma se-jénna.

Disidik-sidik mah étawanoja téh lumayan geulis.Malah ceuk kuring mahleuwih pantes jadi béntangfilm di tipi, batan artis-artiskiwari nu halabhab ku sén-sasi. Tapi, nya éta mah pili-han manéhanana. Mémang

Srikandi Lain DewiKu Tatang Zaelani Tirtawijaya

Page 20: Mangle 2451

Manglé 2451 19

ceuk saliwat mah asa teukaharti naon nu aya dinapikiran éta wanoja téh. Teunyaah kana awakna kitu?Kuring teu ngarti. Ngan nupasti, wawanén jeung da -ngongna éta wanoja geusmawa lamunan kuring ngu-lampreng jauh ka mangsakatukang. Ras téh ka duatan katukang, kuring paam-prok jeung Dewi, di kam-pus.

Dewi Puji Lestari, atawanu sok dilalandi Srikandijaman kiwari. Dina halwawanén, Dewi mémangteu béda ti Srikandi. Bé-dana, Srikandi mah kudunyanghareupan balatentaraperang nu keur tihothatdina Bharatayuddha, ariDewi mah kudu nyangha -reupan rupa-rupa cocoba tipihak kampusna sorangan.Mimiti ti intervensi pangu -a sa kampus, tepi ka teu di-baturan ku babaturansakelasna. Kituna téhpédah Dewi dianggaptukang ngagogoréng kam-pusna sorangan, pédahmanéhna resep démo.Ngan, éta cocoba nu karan-dapan ku manéhna, sala -wasna disanghareupankalayan sumerah, ihlaskarna Alloh.

Jeung mémang kahartipalebah dinya na mah.Tetekon hirup nu dicekelpageuh ku manéhna,salawasna jadi pondasidina nangtukeun sikep-sikepna. Matak teu salah-salah teuing mun manéhnadisebut Srikandi jamanayeuna.

Dewi kungsi nyarita basahiji mangsa manéhna di-geroan ku pihak kampus,pédah tulisanana di mediamassa dianggap ngagogo -réng almamater kampusna.Di jero kantor pimpinankampus, manéhna diségagku kepala Biro Kemaha-siswaan, “Kamu sebaiknyaduduk di bangku kuliah!jangan lagi urusi kami!”

Ku lantaran Dewi nga -rasa yakin yén naon nu di -pilampahna téh aya dinajalan bener, beungeutkasieun jeung kahanjakaltéh teu témbong saeutik-eutik acan. Malah kalayanteges manéhna némbal,“Jika mémang saya di-takdirkan kuliah di sini,maka saya akan tetap disini!”

Lian ti anacamanbirokrat kampus, pangala-man diintervensi ku dosénogé geus mineng kaalamanku manéhna. Inget kénéhwaktu manéhna bari semuhulang-huleng nyarita,“Yul, tadi Pa Husen jeungBu Rina ngomongkeunuing pédah ku uing PaHusen dicawad pédah taraasup kuliah. Ari ceuk PaHusen téh, lihat aja padasaat sidang akhir skripsinanti, anak itu akan sayapersulit, dan kalau perlunggak akan saya luluskandia!"

Sabenerna mah, éta an-caman pihak kampus sartadosén téh teu sabaraha tibatan tekanan ti jero dirinasorangan. Pangpangnabasa kudu ngajawabpatalékan-patalékan tikolot jeung babaturanana,nu karasa leuwih nyiksabatin manéhna, “Irahabadé ngawanohkeun calontéh Nyi?”

Tah, patalékan-patalékanmodél kitu nu kudu di-jawab ku Dewi sabanmanéhna balik ka lem-burna téh. Matak pantesmun manéhna jarak balikka lemburna.

Mémang enya, ti luarmah Dewi téh katemponatanggoh sarta teger.Manéhna teu weléhngagorowokeun hak-hakmahasiswa nu geus diram-pas ku birokrat kampus.Tapi dalah dikumaha,manéhna tetep wanojabiasa, cara nu lian. Wanojanu teu weléh nalangsa dina

umurna nu geus 24 tauncan boga waé beubeureuh.Malah sakapeung mah sokaya dina pikiranana rékreureuh bajoang ngalawankasarakahan. Rék prah baécara babaturan sakelasnaanu hirup normal. Liburan,jalan-jalan, atawa ngansaukur nongkrong di barngilikan kaom adam nubisa diteuteup jeung dila-mun.

“Naha haram kuringdipikacinta ku lawan jinis?Atawa pédah kuring sokgogorowokan ngabolé -kérkeun rujadna kahiru-pan? Atawa boga anggapanyén jalma kawas kuringmah teu becus bobogohan?Teu bisa maén cinta? Hah!”kitu jeung kitu nu sok dibu-dalkeun dina mangsanamanggih guligah téh.

Jeung nu moal kapopo-hokeun mah waktumanéhna ngabagi ka-susahna ka kuring.

Matana beueus waktumanéhna mimiti nyari-takeun katugenahna, “Yulurang teu apal kudukumaha? Bulan hareupmanéh wisuda, berarti en-tragan urang téh ngan ting-gal uing sorangan deui?”

Ngadéngé kitu, kuringmalah némbal bariheureuy, “Maenya atuhSrikandi 2013 ceurik?”

“Tong nyebut waé uingSrikandi! Uing mah Dewi,lain Srikandi,” ceukmanéhna rada neugtreug.

“Nya naon deui atuh nukurang ti manéh Dew?Sakampus ogé papada apalyén manéh téh Srikandi!”ceuk Kuring.

“Kabogoh!” Dewi pertén-tang motong caritaan.

Kuring ngahuleng asakabéntar gelap tengah poé.“Srikandi mah geus suksésdikawin ku Arjuna. Jajakanu digambarkeun dinakitab-kitab, sarta carita-carita karuhun kalintangkasép jeung gagahna.

Sedengkeun Uing? nepi kakiwari, can kungsi Uingngarasakeun éndahnacinta!”

Acan gé kuring némbal,pok deui manéhna motongcaritaan, “Manéh mah teuapal Yul alesan uing sabe -nerna kieu gawé téh naon?Ku cara démo jeung akif diorganisasi, kuliah uingbakal rada lila, béda jeungmanéh, béda jeung nu lian.Éta nu dipiharep téh Yul!Taya lian supaya aya alesan“keur kuliah kénéh” munditanya ku kolot iraha rékmawa calon!”

Dewi ngabudalkeunpangeusi haténa. Dunya asangadadak jempling. Kuringngarasa bingung. Teuingkudu kumaha peta, dapuguh lain kuring nukawasana. Mun téa mahenya kuring téh Dewa,meureun geus ti baheulamanéhna dijodokeun. Moalcara ayeuna, nu kalahkaléngkahan ku adina so-rangan nu masih kénéhSMP. Kuring tuluy nga -gabrug, nangkeup Dewipepereket. Sugan ku sugan,manéhna henteu ngarasanyorangan teuing.

***Hujan ngadadak turun,

taya témpo jeung teu mérényaho. Beuki lila beukingagebrét. Langit Gasibupipilueun mongkléng lirméré iber ka pangeusidunya, yén hujan moaltéréh-téréh raat.

Nu darémo pating-buriak. Sedeng ngaranDewi bet kalah ka tetepnoélan lamunan kuring.

“Dew, keur naon ayeuna?Naha anjeun geus jadiSrikandi sajati?” Ceuk ku -ring dina pikiran, tuluynguluyu néanganpangiuhan.***

GegerKalong,01 November 2013

Page 21: Mangle 2451

20 Manglé 2451

Bari rurusuhanmanéhna indit.Poe iei, Dodokapaksa teubisa nungguan

anakna nu keur dirawat dirumah sakit. Da poé ayeunatéh tim sépak bola nu dilatihku manéhna aya jadwaltanding nu penting pisan.Ayeuna téh jadwal timmanéhna ngalawan timKang Ado, nu ayeuna pe -ringkat kadua. Kang Adotéh séniorna di SSB ba-heula. Ari dibandingkeunjeung Kang Ado mahngalatih téh masih kawilangpagawéan anyar keur Dodomah, da sapopoéna mahDodo téh karyawan TU diSMP Sindanghayu. Pédahkepala sakola apaleunmanéhna baheula kungsi

meunang penghargaan tinamaén bal, antukna mahmanéhna dipercaya pikeunngalatih tim sépak bola étasakola. Geus méh sataunDodo ngalatih téh. Ayeunakompetisi ngan nyésakeunsapertandingan deui. Prés-tasina dina ngalatih maénbal kawilang hadé. Bisaditingali tina peringkattimna nu ayeuna di posisikatilu. Mun ayeuna meu-nang, tim SMP Sindang-hayu téh baris naék kaposisi kadua. Tangtu arigeus kitu mah, bisa miluankompetisi ka tingkat kota,pikeun marebutkeun sahanu jadi wawakil ka tingkatpropinsi.

“Ka mana heula atuh,wayah kieu mani kakarékjol?” Kang Ado langsung

nanya.“Puguh ieu téh aya

kaperyogian heula bieu téh,”témbal manéhna bari réng-hap ranjug, ngatur napas.

“Si geulis? Kumaha ayeu -na? Geus cageur?

Dodo kalah ngabetem, teunémbalan.

“Sing sabar wéh Do,ngadu’a wéh ka pangéranayeuna mah sing dilancar-keun urusanna. Tapi hadéeung silaing téh. Sugan téhngan bisa maénnahungkul.”

“Ah da abdi mah nganukur nuturkeun naon nu di-ajarkeun wéh ku Wa Andabaheula.

“Nu penting mah urangfair play wéh ayeuna mah,najan ieu kompetisi ulahnepi ka duduluran urang

rajét,” pokna Kang Ado.“Kantenan atuh Kang, nya

itung-itung silaturahmi wéhieu mah, friendly match,”témbal Dodo.

“Éh, teu bisa kitu atuh, ieumah marebutkeun juarakadua, béda ari pertandin-gan persahabatan mah atuhDo, kudu sing bisa ngabéda -keun.”

“Hé hé, muhun Kang.Hayu ah, dikantun heula.Karunya barudak,” témbalDodo bari tuluy abus ka la-pang, tempat barudaknarungguan.

Di lapang barudak geusngariung. Di dinya gékasampak aya Kepala sakolakeur méré wejangan.Meureun keur mapatahansangkan maénna hadéjeung teu curang. Tinapameunteuna mah barudaktéh kacida atohna Pa Kepaladatang ka dinya téh.

“Assalamu’alaikum,” ceukDodo

Tilu Menit Panungtungan

Carpon Ipung Thaifur Abu Yazid

Page 22: Mangle 2451

Manglé 2451 21

“Wa’alaikumsalam,” tém-bal Pa Kepala jeung barudakméh bareng.

“Ti mana Jang, manikakarak elol?” témbal PaKepala.

“Ieu Pa, aya wagelan heulabieu téh. Untung wéh tacandikawitan.”

“Oh kitu, nya untung wéhbieu Bapa tiasa sumpingsaacan dimimitian. Bieu téhngan mamatahan barudakwéh sangkan maénna aralusjeung jalujur,” témbal PaKepala. “Sok atuh ayeunamah diteraskeun wéh ku didinya, méh puguh,” pokna.

“Muhun Pa,” témbalDodo. “Tah barudak, saper-tos nu bieu dicarioskeun kuPa Kepala, ayeuna urangkudu maén sing alus. Inget,Disiplin! Éta konci permaé-nan tim urang! Maén jujur,rapih, disiplin! Ayeuna mahgeura pemanasan heula!”Geus dititah kitu mah, jungwaé barudak téh narang-tung, tuluy pemanasan.

Kick off babak kahiji geusdimimitian. Ti mimiti timSMP Sindangtawang lang-sung nyerang tim SMP Sin-danghayu. Maranéhna maénkalawan rapih, teu jauh bédasiga basa di SSB baheula.Tapi barudak ti SMP Sin-danghayu gé teu éléh géléng.Maranéhanana maén méhsarua jeung naon diomong -keun ku Pa Kepala jeungDodo. Kabéh rarapih turdarisiplin.

Nu di hareup ampir mam-puh ngamangpaatkeunkasempetan nu dibéré,najan masih kénéh bisa dita-han ku musuh. Nu di tengahsabisa-bisa mantuan kahareup jeung ka tukang. Nudi tukang gé méh bisa nahansakabéh serangan musuh,malah sakapeung mah miluka hareup.

Babak kahiji geus bérésan.Can aya nu bisa nyitak gol.Skor masih angger kosong-kosong. Duanana saimbang.Najan SMP Sindangtawangtuluy nyerang, tapi SMP Sin-

danghayu gé pertahannarapih pisan.

“Alus! Pola urang engké dibabak kadua tong béda jauhjeung nu tadi, ngan omat!Mun aya kasempetan sa -kumaha waé, urang kudungamangpaatkeun étakasempetan!” ceuk Dodomapatahan ka barudakna.“Sing inget, kasempetanmoal datang dua kali, numatak urang kudu bisa nga-mangpaatkeunana, najanngan sapersén! Ngarti??”

“Ngartos Pa!” témbalbarudak méh bareng.

“Bener tah naon-naonceuk Pa Dodo bieu, pokonahidep maénna kudu caratadi,” Pa Kepala nambahan.“Tapi bapa nyungkeun ha-punten ka sadayana, bapateu tiasa nonton dugi karéngsé. Bapa aya wagelan,sok sumanget kanggo sa-dayana. Jeung inget, naonwaé hasilna urang kudunarimakeun. Mun meunangtong gedé hulu, mun éléhulah leutik haté. Salamu’a -laikum,” ceuk Pa Kepala,bari tuluy ngaléos indit.

*Babak kadua geus asup

kana menit ka tujuh puluhlima. SMP Sindanghayumingpin skor hiji-kosong.Najan kitu, pemaén ti Sin-danghayu geus kaciriraripuheun, diserang tutu-luyan ku SMP Sindang -tawang. Ti Kénca, katuhu, tihareup tapi untung, baru-dakna masih kénéh sarigepnahan éta serangan téh.

Méh sarua jeung nu di jerolapang, Dodo kacida ring -rang pisan. Késang ngoprotsaawak-awak. Kalakuannarobah pas SMP Sindanghayungasupkeun. Meureunpédah manéhna sieun skor -na kaudag ku SMP Sindang -tawang.

Beng, bola ditalapung katengah ku kiper ti SMP Sin-danghayu. Ngan hanjakalbaladna teu bisa nahan étaumpan, antukna mah beu-nang ku salah saurang ti Sin-

dangtawang. Berebetmanéhna lumpat, bengdioper ka babaturanna nuaya di lebah katuhu. Euweuhsaurang-urang acan nu nga-jagaan manéhna, manéhnalangsung lumpat ka asuparéa pinalti. Saurang, duaurang, tilu urang pemaén tiSindanghayu diliwatan hiji-hiji. Habek, bola téh ditajongsahabekna. Gol!! Skor sarua,hiji sama. Ti dinya, polamaén barudak Sindanghayumimiti acak-acakan. Mén-talna geus kaserang ti heula,kitu ogé Dodo. Ti luar Dodotuluy méré sumanget katimna bari jojorowokan.Menit ka dalapan puluh skorangger hiji sama. SMP Sin-danghayu geus ampir kaasu-pan saba baraha kali, bola nuditajong téh geus sababa -raha kali kana tihang ga -wang, ari geus mental tinatihang mah beng wéh ditala-pung deui ka hareup. Teukarasa, geus menit ka sala-pan puluh deui. Wasit méréwaktu tambahan tilu menit.Kabéh nu aya di lapang geusteu ngeunah ci cing, komo nukeur maraén mah, kaasuppelatihna. Geus kitu mahDodo ménta ka wasit pikeunngagenti salah saurang pe-maénna.

“Mad, ieu téh tilu menitpanungtungan. Pemaénséjén geus tarurun mén-talna, hidep kudu bisangahudang deui méntal nuséjén. Sing tenang, sing apik.Jug!” ceuk Dodo mapatahanAhmad.Teu salah Dodo nga-supkeun éta budak dinamenit-menit panungtungan.Kaciri manéhna bisa maénkalayan tenang tur rapih.Pas dina menit ka salapanpuluh dua manéhna bisamalikeun kaayaan jadi dua-hiji. Najan geus kitu, Dodomasih angger hariwang.

‘Priit!!’ wasit niup piriwit.Pertandingan bérés, skorahir dua-hiji, SMP Sindang-hayu hasil asup ka tingkatKota.

Barudak SMP Sin da ng -

hayu ajret-ajretan aratoh. Disisi lapang, kaciri Dodoleuleus pisan. Najan geusmeunang, angger manéhnangarasa ringrang. Teuingpédah naon. Geus kitu mah,bring barudak SMP Sin -dang hayu saabringanlalumpat nyampeurkeunDodo. Kapaksa manéhnaneundeun heula rasa karing -rangna.

“Ah, moal aya nanaonsugan. Pédah atoh wéh ieumah,” ceuk Dodo na haté.

Keur anteng-antengnangarayakeun hasil ahir per-tandingan, ‘nging’ téh HPdisada. Horéng pamajikan -ana nu nelepon. Barang di-angkat, na HP kadéngé soranu keur ceurik. “Kang, ieu siEnéng Kang!” ceuk pama-jikanna bari sumegrukceurik. Ti dinya Dodo geusteu ngeunah haté, sarwasalah. Rék balik barudak eu-weuh nu nungguan, mun teubalik da sieun kukumaha.Curucud, panon Dodo mi -miti reumbay cimata.Ningali Dodo kitu, jep wéh,barudak téh jarempling, lirgaang katincak. Ti kajauhanKang Ado ningalikeun ma -néhna, bangun nu apal kananaon-naon nu geus karanda-pan.

“Tos wéh Néng, keunkedap deui Akang wangsul,”témbal Dodo, bari nyusutcipanon. Ti kajauhan KangAdo nyampeurkeun ma -néhna. “Geus, ayeuna mahgeura mulang wéh. Keunmasalah barudak mah kuAkang wéh,” pokna.

“Muhun atuh Kang, pun-tennya,” témbal Dodo barituluy ngaléos indit.

“Geuning, tilu menit pa-nungtungan nu dipikahari-wang ku Dodo téh lain keurhidep hungkul, tapi keurmanéhna ogé,” ceuk KangAdo ka barudak SMP Sin-danghayu. Barudak mahkalah silih pelong bari teungarti.***

Bumi Siliwangi, 25 Séptémber 2013

Page 23: Mangle 2451

22 Manglé 2451

Paneuteup Indirakatempo ngulin-cer. Sanggeusninga lieun kakuring nu keur

no’ong dina jandéla kelasmah, Dira tuluy ngadada-han. "Mamah!", najan teukadéngé, tapi kagambartina embut biwirna. Kuringukur imut, bari ngabalesngadadahan.

Rét kana arloji, aya kénéhwaktu sapuluh menit deuipikeun barudak kaluar tikelas. Kabeneran poé étaaya ekstra kurikuler; Diramiluan penca silat. Kuringngahaja mawa sangu dinamisting. Deungeunnaendog ceplok dikécapan,

karesep Dira keur daharbeurang. Léos, kuringnyampeurkeun bangkupanjang paragi nungguankolot-kolot murid nu ma-pagkeun anakna. Nyéh,kuring imut bari manggutka nu araya di dinya.

"Héy, mamah Dira maninembé hol. Ka mana heulaatuh?" Mamah Ratih nanya.Di sakola mah ari nyalukanibu-ibu téh sok ku ngarananakna baé.

"Biasa wé Mamah Ratih,abdi mah masak, pépérénsareng ngahuapan si Dédéheula, ambih engké dugi karorompok kantun ngurusDira," ceuk kuring bari gékdi juru, da nu kosong ngan

di dinya. Ti saprak nga -lahirkeun anak nu kadua,kuring eureun digawé. Ka-hayang mah kawas batur,angger jadi wanita kariri-weuh. Enya, riweuh pisan.Nya di imah, nya di kantor.Tadina mah budak téh sokdipihapékeun ka indungkuring, tapi pidua bulaneunkuring rék ngalahirkeun,anjeunna nilar dunya.

Paralun, kuring lain nga-gawékeun nu jadi indung,anjeunna ngan saukurmangnalingakeun. Dakapan réncang mah aya.Jaman kiwari téa, hésénéang réncang nu bisadipercaya. Majalah nudikeukeuweuk ti tatadi

dibukaan. Maksud téh asamending maca tibatanngawangkong ngalér-ngiduljeung ibu-ibu nu séjén.Komo bari ngomongkeunbatur mah, dosa téh beukingagugunung wé. Kuringmah leuwih resep kénéhmaca, kanyaho jadi namba-han.

"Mamah Yopie, katarimaBBM ti abdi?" ceuk MamahRatih.

"Oh, nu éta? Enyalahhayu rék arulin mah, grupBB urang wé. Da héséngabéjaanana ka nu teuboga BB mah!" témbalMamah Yopie, bari sorotpanonna ngulincer.

“Nya teu boga BB, An-droid gé ayeuna mah geusbisa BB-an,” ceuk mamahRiki. Saharita langsungsahéng mairan.

Ngadéngé nu bieu mah,kuring gé maksakeunngalieuk. Mani nyolok matabuncelik, ngajakan téh kaibu-ibu nu miluan grup BBwungkul. Teu ngabibisani,teu boga BB téh asa tinggal -eun iber. Sakapeung ayapelajaran atawa tugas sa -kola nu kudu digawékeunku Dira, teu digawékeun daku teu nyaho téa, sababiberna ngaliwatan BB.

Rumasa hapé kuring mahngan saukur hapé jamanbaheula. Nu penting mahbisa dipaké nelepon jeungsms-an. Teu éléh déét, ku -ring remen neleponanguru-guru Dira, sangkanteu tinggaleun iber PRjeung tugas. Hanjakal, poékamari hapé kuring muragku salaki. Ancur teu bisadikukumaha. Karék engkémun gajihan digantianana,éta gé mun teu pabetot-betot jeung resiko dapur.

"Mamah Riki, cik geuratingali baju abdi na photoprofile BB, alus nya?" ceukmamah Yopie hayang ka -tangar. Mamah Riki tung -kul ningali hapéna.

"Éh, enya wé... ni alus

Sabot Nungguan Budak SakolaKu : Nyi Roro

Page 24: Mangle 2451

Manglé 2451 23

kieu Mamah Yopie.Meulina di mana?"

"Aya wéh, engké ku abdidiajakan ka tokona. Ieuh,jadi awéwé mah kudu seu -ngit, geulis luis, baju tongrandatdat-randutdut. Kudumécing ciga abdi, jaba ber -merek yeuh!"ceuk MamahYopie semu ngadelék kakuring. Awakna dilenggik-lenggik. Puguh baé ku ibu-ibu pada ngaleprokan,Mamah Yopie beuki motah,asa diulangtaunkeun.

Beuuu... dihenteu-henteuogé Mamah Yopie téh teuresepeun geuning ka ku -ring? Hadas naon atuh nya?Rumasa, kuring mah arimapagkeun budak téh teucara maranéhna, mani sokgarinding jiga nu rék kapasamoan. Kuring mahcukup ku kaos leungeunpangjang atawa jékét. Kahandapna calana panjang.Sirah dibunian ku tiunggeblus. Riungan jeung ibu-ibu kitu téh sakapeung mahsok jadi ajang mintonkeunkaboga. Masing teu ditanyaogé, ujug-ujug breng nataanimahna di anu... di anu...Mobilna kaluaran palinganyar, manéhna maké merkanu, salaki jeung barudaknamerk anu. Katambah tanahjeung sawahna nu méh dimana-mana. Geus puguhari nu patinggurilap dinaawakna mah, mani sango -rong siga toko emas maju.

Teu karasa kuring ukurcungeukngeuk ningalidang dangan Mamah Yopie.Kaméja gumbrung kem-bang-kembang badag kelirbungur ngora dipasang -keun jeung léging bungurkolot. Tiung bungur kolotdibulat-beulit jeung kelirbungur ngora jiga kaom hi-jaber barudak ABG. Teupoho selop jangkung, ke-lirna gé pulas bungur.Saréréa geus arapal, unggaldangdan Mamah Yopiemah kudu baé “matching”.

Sabenerna mah kuring gésok kapikiran hayang dang-

dan. Heung kelirna diluyu -keun ti tiung nepi ka da -mpal suku jiga batur. Tapi,ceuk kuring mah nu nga -ranna nganteur jeung ma-pagkeun budak sakola lainwaktuna keur dangdanbéak karep. Sok wé, damoal méakkeun waktuleuwih ti sapuluh menit. Ba-rina ogé anggangna imah kasakola ngan ukur 200 me-teran. Kitu gé ngan saeloldina panto gerbang wung -kul. Ongkoh teu cara kuringbasa keur digawé kénéh, rékmeuli naon baé sakahayangkuring gé laluasa, da gajihnu sorangan ieuh. Ayeunamah kuring teu téga ka nujadi salaki, nu kari sorangantihothat néangan napkah.Piraku teuing ku kuringkalahka dimonyah-monyahkeur meulian barang nu teupararuguh bari jeung ukurhayang katangar ku batur.Kuring kudu ngawayah -keun manéh, loba nahannapsu.

Téng! Téng! Téng! Sorabeusi buleud di hareupeunkantor guru geus ditakolan,ciciren barudak geus meu-nang baralik. Brul, barudakngaburudul ti lawangpanto. Pahibut, paheula-heula néang nu mapag -keun. Tapi aya ogé nubaralik sorangan atawangabring jeung babatu-ranana, ninggalkeun kelasnu beuki lila beuki kosong.

“Mamah!" Indira nga-jorowok muru kuring.Rikat, Dira ngarawél leung -eun katuhu kuring tuluy di-adekkeun kana tarangna.Keur kitu, Bu Siti wali kelasDira ngaliwat.

"Bu..." kuring nanya barirengkuh.

Bu Siti sarua rengkuhbari imut. Tadina mah ku -ring hayang ngobrol radapanjang, rék nanyakeunkumaha kaayaan Dira dikelas. Tapi Bu Siti leum -pangna semu nu rusuh,sigana mah pedah kuduburu-buru balik deui ka

kelas, rek ngajar deui baru-dak nu asup beurang. An-tukna kuring ngajak Dira kabangku di handapeuntangkal kérsen, di sisi la-pang upacara.

"Sok bageur, geura emamheula, lapar. Énggalan,ambih teu tinggaleun kubatur latihan pencana,"ceuk kuring tuluy nga-songkeun misting ka Dira.

Bari nungguan Diradahar, kuring niténankaayaan sakurilingna. Baru-dak lalaki keur arantengmaraén bal, sawaréh lalajodi sisi lapang. Barudakawéwé keur arocon barisaleuseurian. Aya nu antengbaé ngome hapé, aya nugagambaran baé. Aya nunganyoh-nyoh barangdahar baé bari leungeunnaranggém ku jajanan.

Éh, itu siga MamahYopie? Naha can balik? Daasana mah Yopie téh teumiluan penca?

"Énggal Yopie, urangaruih! Mamah aya peryogi!"ceuk Mamah Yopie ngabe-betot anakna bari semunyureng.

"Ké heula Mamah...kedap deui!" ceuk Yopiebari muru deui ka babatur -anana.

"Mamah Yopie, canuih?!" kuring ngagorowok.Mamah Yopie ukur kun-yem. Buru-buru manéhnangabetot deui budakna,ayeuna mah hasil. Panonkuring nuturkeun leungitnaMamah Yopie nu kaluar tikomplék sakola tepi kasatengah lumpat. Budaknatibabaranting nuturkeun titukangeunnana. Aya anumatak hémeng katingalitina dangdanan MamahYopie, tapi naon nya?Weléh teu kapikir. Ah,paduli teuing, kateuteuarikalahka mikiran batur.

"Mah, atos emamna nya?Wareg," ceuk Dira nga-gareuwahkeun lamunankuring.

"Muhun, sok geura gen-

tos acukna ku acuk penca,"ceuk kuring, bari song nga-songkeun cai nginum. Geusbérés Dira disalin mah, ku -ring tatan-tatan rék balikheula ka imah. Sajam deui,balik deui ka sakola ma-pagkeun Dira.

Basa kuring rék ngaleospisan, kadéngé sora Bu Sitinorojol tina panto kelas,nanyakeun ka ditu-ka dieu,"Aya nu ningali tas Ibu?...Ningali tas Ibu teu? Tadimah aya dina korsi..." ceukBu Siti nanya ka barudak.Nu ditanya némbalan ukurku teu terang atawa ukur kugideug. Bu Siti geumpeur.

Teu lila, rob guru-gurujeung kepala sekolahnyalamperkeun Bu Siti,kuring gé milu nyam-peurkeun.

"Di mana icalna Bu?"ceuk kepala sekolah.

"Di kelas Pa, waktos tadiabdi ngadeuheusan Bapa dikantor sigana mah. Dawangsul ka kelas téh tos teuaya..."

"Naon waé lebetna?""Biasa baé Pa, kaperyo-

gian abdi sadidinten dikelas. Nu abot mah hapésareng tabungan barudaksasih ayeuna. Haduh,kumaha ngagentosanana?"ceuk Bu Siti rawah-riwih.

"Ké Bu, ari kantong ibukelir kumaha? Wangunnakumaha?" salah sahiji gurunanyakeun.

"Kelir kopi..." ceuk Bu Sitibari asup sakeudeung kakelas. Jebul deui mawa ker-tas jeung pulpen, kan-tongna digambar kalawanjéntré. Tas merk Louis Vuit-ton.

Kuring ngahuleng. Ujug-ujug inget kana kalakuanMamah Yopie nu buru-buru incah. Kelir kantongnanu pinuh ku aksara L ngaitkana aksara V teu luyujeung kelir baju tur sapa -tuna. *****

Saung Indung,2 November 2013

Page 25: Mangle 2451

24 Manglé 2451

Maotna mahMang Sarip téhtadi beurangkira tabuhtiluan. Teu agé-

agé dikurebkeun cenahngadagoan Si Onah, anaknaanu dibawa ngumbara kusalakina ka Surabaya. Sokpadahal Ajengan Arif geusngawawadian sangkan layonburu-buru dikurebkeun. BiMamah, pamajikan MangSarip, tadina mah rék ku -maha alusna ceuk ajenganbaé ngan Si Onah hayangnénjo heula beungeut ba-pana.

"Ulah waka dikurebkeunEma, wios énjing!" ceuk SiOnah dina HP.

Teu majar kumaha, ajeng -an gé antukna mah nurut.Pangémutna, nepikeunenggeus diturut jeung hen -teuna mah kuma dinya.

Atuh layon téh sina nga-jepat baé di tengah imahsabada dipulasara sakumahamistina mah. Enya, isukankari ngurebkeun da ari liangkaluat mah ti barang gujrudMang Sarip maot gé geusdikali. Umumna urang lem-bur, angot dikokojoan kutokoh anu ngarti kana hartifardu aén, nalika tumiba pa-pait téh tara léléwodéh.Boro kasaksi ahli tajug, leketsolat rikat zakat, dalah kajelema biasa nu ukur ngakuIslam bari kana solat belang-betong malah tampolanaukur taun kali ari sunahlebaran ogé wuwuh kawa-jiban fardu aén téa. Enya,

kawajiban anu lamun teudipigawé bakal dosa saréréa,anging aya salasaurang anumigawéna, siga kapapatén -an. Nilik saréatna mah umurMang Sarip téh can kolot-kolot teuing. Kitu lah tengahtuwuh punjul genep taunan.Orokaya ririwit, tiktikbrek.Kilang kitu ka sawah atawaka kebon mah tara beunangdihulag ku Bi Mamah téh .Abong urang lembur, basanakaluman cimekblek di imahtéh. Atuh ari cageur meueu-san, telenjeng deui ka sawahatawa ka kebon. Untungnasawah jeung kebonna téh teujauh ti lembur. Cara poétadi, rebun-rebun geusmiang ka kebon. Teu barangbawa dahareun da basa kuBi Mamah rék dibahanandahareun bisi lapar téhkéképéhan.

"Moal lila rék ngaroris caubisi ku cocodot."

"Heueuh atuh mawa-mawa cai sakempis mah bisihanaang."

"Moal ah, mihapé imahwé!"

"Naha da moal aya nungaringkid imah mah.Anggur manéhna nu kuduatia-ati. Kadé ulah tuak-taék!"

Teu némbalan. Kenclingmiang dijajapkeun teuteupBi Mamah. Tepi ka lawangpager, tara-tara ti sasariMang Sarip ngarandegheula, malikkeun awak. BiMamah ngajanteng kénéhna lawang panto.

"Kadé imah!" pokna deui

"Heueuh!" témbal BiMamah bari teuing kila-kilanaon nyaritana kitu téhkarasa aya nu nyeuit dinahaténa. Aya rasa melang. Étameureun duméh Mang Sarpitéh geringan, malah ayeunagé can cageur pisan.

Kencling ka kebon. Sa-datangna, lunga-lengongaroris pepelakan. Enyabaé cau loba nu ku cocodot,najan henteu ari nepi ka pu-rugul mah. Aya kénéh keurnu melak.

Pajar teu butuh ku caikeur nginum da basanamoal lila. Hih, baning usak-usik tikoro laun-laun karasatuhur. Bet hanjakal teu nari-makeun kahéman pama-jikan. Marengan panonpoéhanjat, tikorona karasabeuki ngolétrak. Rék buru-buru balik kagok ku hancapagawéan, ngayuman pager.Ditahan-tahan kalah asabeuki kasiksa.

Ras kana tangkal kalapa,tanggah. Duwegan ngagu-payan. Lakadalah, hatéMang Sarip surak. Tapi du-madak murengked da apankudu ditaékan. Mani eu-weuh titaheun.

Antukna gilig seja metiknu ngagupayan. Angsrod,angsrod, naék. Beuki luhur,beuki luhur. Na atuh sirahnaujug-ujug asa muih, lieur,katurelengan. Teu tahan,turun deui tuturubun. Ilangkasadaran, koléang...gubragnyinekel kana batu. Les!

"Mang, Mang Sarip!"gorowok Mang Tanu nu

pareng ngaliwat balik tisawah gegeroan barangnénjo aya nu ngagebutlebah tangkal kalapa dikebon Mang Sarip.

"Tuluuung...!" gancangngagorowok deui ménta tu-lung. Hadéna aya nungadéngéeun. Nya padanu-lungan, dibawa balik.

Aya kénéh rénghap basa dijalan mah. Ngan sanggeusdatang ka imah geus teuempés-empés deui.

Nénjo kaayaan kitu, BiMamah tiba ngajerit baringagugulung layon MangSarip. Ceuk nu percaya mahcenah Mang Sarip téh maotbaseuh da apan maotngadadak alatan ragrag.Pangaruhna sok mataknoélan punduk. Ka ditunasok gaplah lumaku. Siga rékkemit, apan réa nu tingpu-rungkut. Tapi, karunya ari BiMamah kudu cinekul kemitsorangan mah, angot alesan -ana ukur sieun dijungjuriganmah. Nu matak, enya nu bo-rangan jeung héngkérimanna, sieun-sieun ogémaksakeun.

Enya, cara Hansip Ukar,Mang Tarno, Kang Juhé, WaKardi. Tatangga-tatangga al-marhum.

Ti magrib kénéh langitgeus mongkléng. Lain ukurpoék katarik wanci, tapi kuméga hideung nu ngabu-rayot ku pihujaneun. Dajeung saenyana, basa ngongadan isa, hujan bahé lir dici-cikeun ti langit, dibarunggelap dor-dar.

Ririwa di PakemitanKu Féndy Sy. Citrawarga

Page 26: Mangle 2451

Manglé 2451 25

Nu tadi-tadi geus nawaéturék kemit, sawaréh marulangka imahna, basana bisi ayakenténg bocor. Demi HansipUkar, puguh mancén intruk -si RW, wajib cicing. Untungwé Kang Juhé, Mang Tarno,Wa Kardi daékeun maturan.

Pribumi gasik nyieuncikopi, golosor leunjeurandurukeun. Hawa tiris peu -ting kausir meueusan kucikopi panas jeung udud.Orokaya hujan mah can raat.

Opatanana jarongjon ditéras. Dititah ka jero ku BiMamah marugen. Padahal ditéras téh sawér.

"Di jarero atuh ngopina!"ceuk Bi Mamah.

"Di dieu wé Bi ah,hareudang," ceuk Kang Juhéngabodor. Moal enya hujanngecrek hareudang. Nu sidikmah basa nénjo layon nga-

jepat, bulu punduknacarungkedang.

Kapeutingnakeun hujanngaleutikan, tapi ngecrek. Nukemit tinghariul, asa teupuguh laku pajah téh. Cikopikari gegedohna, ududeunkari kuntung jeung calacah,numpuk na asbak. Angin nunyéor, hawar-hawar sora an-jing babaung karasana ku nukemit asa noélan punduk.

"Yu ah uang ngusir tun-duh," ceuk Kang Juhé basadina suku méja katénjo ayakartu gapléh.

"Aya nyah kartuna?" Haré-wos Hansip Ukar.

"Tuh!" Juhé nuduhkeunkartu na méja di rohangtamu.

"Sok atuh!" Hansip giak daenya atuh asa teu puguh lakujaba tunduh.

"Henjung ka ituh cokot!"

Kardi ngajurung-jurungJuhé. Nu dititah mugen dapuguh ti émpér atawa térasjeung ti rohang tamu téh nungajepat atra katémbong.

"Leutik burih!" ceuk Han-sip Ukar. Kilang kitu ma -néhna gé ngompod.

"Heueuh, hencig atuh!"Mang Tarno nyurung-nyu-rung tonggong Hansip Ukar.Tapi kalah undur-unduran.

"Kalah wé pangkat han-sip!" ceuk Mang Tarno deui.

Dikitukeun teuing mahHansip Ukar ngarasa kasi -geung. Kapaksa ngajurung -kunung, tapi tiba ngoron dang bari culang-cileungngodomang nyokot kartugapléh. Nénjo kartu gapléh,mata nu opatan calenghardeui. Juhé ngocok kartu.Hujan can raat, anjingbabaung wuwuh matak mur-

ingkak, tapi ku nu garapléhteu ditolih.

Mimitina taya sora nanaonti nu garapléh téh. Arelingkeur kemit. Nunda kartu ja-jauheun tina ulin beubeut sa-habekna cara sasari.

Nu matak, angger wékarasa combrék. Tapi, lila-lila mah kadéngé tingkare-plék sora kartu nu meubeutbari dituturkeun hohoak!Lat, keur kemit. Saruhudbangun sujud kana kartu.

Hujan geus raat. Sorakartu nu meubeut beuki tém-brés. Bi Mamah nu dibatu-ran ku tatanggana papadaawéwé teu bisa kukumahangadéngé nu keur garapléhtéh.

Beuki lila nu gapléh beukisegut. Kadéngé aya gakgak,aya rahuh. Nepi ka basaHansip Ukar ngarérét ka te -ngah imah, pas lebah layonngajepat nu maksudna mahrék ménta cai ka pribumi,manéhna calangap basanénjo aya pocong nguniang.Laju nepakan tuur batur-baturna sina nénjo nu nguni-ang. Enya, teu salah nungajepat hudang.

"Ri, ri, ri, ririwaaa...!"kocéak nu opatan ngajerit.Kituna téh bari laluncatanninggalkeun téras. Awahingrusuh bari geumpeur cam-pur sieun, lumpatna teu tara-pti. Saréréa tingjurahroh.Aya nu tisorodot, aya nu tita-jong, aya nu nabrak tangkalrambutan, aya ogé nu tija-likeuh.

Nu di jarero imah tibamésem.

"Teu eucreug pisan,ngaradon gapléh di pakemi-tan," ceuk ririwa, aéh saurAjengan Arif.

Horéng lain ririwa nu nga-jurungkunung téh, tapi Ajen-gan Arif.

Basa anjeunna ngontrolwengi-wengi seja kemit,nyampak nu garapléh. Asateu pantes, nya anjeunnangetrokan panto dapur lajungedalkeun pamaksudan kaBi Mamah, nginjeummukena.

"Urang warah!" saurna.***

Page 27: Mangle 2451

26 Manglé 2451

”Boring” téh istilah barudak ki-wari, da ari barudak bihari mahnyarebutna ”bosen” wé. Kecapboring aya dina Kamus BahasaInggris, malah geus nyampakdibakukeun dina Kamus IdiomBahasa Inggris, bahasa mandiribarudak atawa nonoman kiwari diwewengkon nu ngagunakeunpanganteurna bahasa Inggris. Ayadeui kecap bé-té (BT) cenah gé“bad tempered” mangsa-mangsaanu matak pikaboseneun jeungpijéngkéleun keneh. Bédana téhari “boring” mah suasana di luarnu matak pikaboseneun hijijalma, sedengkeun ari bé-téleuwih nyoko kana suasana hatéhiji jalma, tumerapna éta jalmakeur dieunteupan ku “galau” ceukbarudak téa mah.

Ngahaja maké istilah barudakkiwari téh susuganan nyambung,pan enya jejer obrolan nu rék di-caritakeun ogé ngeunaan kabosenbarudak kiwari, hususon barudakdi sakola dina nyanghareupanpangajaran ti guruna. Cenah ceukmaranéhna deui, mun aya gurunerangkeun ngayayay matak bor-ing, aya babaturanana nu juta-jeté matak jadi nambahan bé-té.

Ngaranna ogé béda pajamanan,béda nu ngajamananana. Teu bisadisaruakeun atawa disakompét-daunkeun antara barudak kiwarijeung barudak bihari anu kiwarigeus jaradi kolot. Upamana munkuring mapatahan barudak, makéukuran jaman bihari nalika kuringkeur budak. “Ieuh barudak, bapa

mah keur sakola nepi ka SMP ogénikreuh, teu disendal-sendal acan.Duit jajan teu dikeupeulan, cukupdiseubeuhkeun ku mumuluk isuksaayana” Ngahaja boh di kelas, nyakitu diimah ditepikeun ka barudak, anutogmol mah werat nyebutkeungeus teu jaman. Mun aya nu pere-sis sapertos bapa kapungkur,moal kitu dianggap kalakuanmahiwal (deviant behaviour)?Pan heueuh kalakuan mahiwaltéh ditujulkeun pikeun jalma anuteu parok jeung jalma lian, tapi aripikeun kahadéan mah alus kacida(sanajan teu parok ogé) mun kuurang dipilampah. Wah, jeungmapah mah mending korbanartos dua rébu, moal hariwangkasiangan, seragam teu kakésan-gan sajabi ti kitu téh moal…dise-ungseurikeun batur.

Jeung réa-réa deui, alesan baru-dak pikeun nolak niru naon-naonnu kungsi ditepikeun. Da maksudsatadina ogé ngan sakadar ba-bandingan, sangkan ngahudangsumanget dina nyorang hirupkumbuh kahirupan maranéhna.

Jadi ras inget ka kang haji ElinSjamsuri saéhu nyarios ti UPIBandung, basa kuring ngahajanepangan anjeunna pikeun nepi -keun kahareneg ngeunaan baru-dak SMA nu horéameun dialajarBasa Sunda. Harita kuring mung-garan pisan ngajar Basa Sundapikeun barudak SMA téh. Sauranjeunna, pikeun saheulaananmah asal teu dipangkaburkeun

murid ogé geus hiji hal anu alus.Manakomo di sakola kuring mahrupa-rupa pisan bahasa deungeunku pihak sakola ditawarkeun. Panenya, sajaba ti bahasa Inggris téhbahasa Arab, Jerman, Jepang,jeung Mandarin kari milih saka-hayang murid.

Sanajan enya ogé kecap “teu di-pangkaburkeun murid” siga teupira, tapi enas-enasna mah tetepwé merlukeun kaparigelan gurupikeun ngawujudkeunana. Teu di-pangkaburkeun murid, hartinamurid aya karep pikeun diajar, sa-balikna ti éta hartina karep diajarbarudak darajatna kaitung han-dap. Manakomo mun dipang -kaburkeun mah, sajaba ti horéamtéh boa-boa barudak aya sari-sariijid kana palajaran jeung guru nungajarkeunana.

Sakeudeung deui kuring bakalpangsiun tina jadi guru, ceuk nungarora mah geus kaasup gurusenior pikeun ngabébénjokeunguru bulukan.

Asa kaasup langka tumanya,jeung ngajawab tangtangan, kunaon sababna barudak baros -eneun diajar? Sabab sawadina ieupananya kudu angger ngancikdina diri, bari jeung ihtiar satékahpolah ngungkulanana sangkanbarudak teu baroseneun diajarpalajaran nu ku kuring di suguh -keun ka maranéhna.***

Nu nulis guru SMAN 3Kota Sukabumi.

B o r i n gKu Endan Sukanda

Page 28: Mangle 2451

Manglé 2451 27

Atép Kurnia

Ti Lebah MaruyungKeur nu nganteur

Jung ti lebah MaruyungRuyungna milu kaduyungKaduyung ku gunung-gunung

Mipir-mipir pasirMapay-mapay kebon bawangAnjogna ka Gunung Rakutak

Nyuay-nyuay jajar tomatTomat konéng SukapuraTomat beureum di Cibeureum

Saparat sakertasariSajajalan satarumajayaBawang deui, engkol deui

Jumalugjug kayu putihKulit héjo aci putihJumarum tungtung pineusna

Liuhna samadhab papatJumlengan-jumlengan caiNgajumleng keteg nu duyung

2013

Samulang ti Cisanti Keur nu milu ngiuhan

samulang ti nagri duyung duyung gunung, duyung situsitu hiang sabaheula

angen-angen tatit inditdijajap gurianging dangdamdiiring pohaci jumerit

tatit indit beuki tariktanagana lipet kaliguriang beuki midangdampohaci beuki jumerit

kidul kalér teu kasusulkomo wétan reujeung kulonkabéh nutup ngajongjongan

di dieu aing téh élingélingan Bujangga Maniknu cunduk ka Mandala Bitung

2013

Handapeun Gunung Guntur

Di handapeun Gunung GunturAing-aing pada lalawungNgalawung-lawungkeun umurNgeunteung-eunteungkeun balitungTepung-tepung, tepung tungtungCara Reinwardt, Payen, Junghuhn

Di handapeun Gunung GunturAngarna tanah milu ngulawuNyorolokna keusik patumbu-tumbuNumbu engapan cipanas, batu rentulRatana lembur, batin-batin nu uculLut-lat naringgalkeun pucus.

2013

Di Buruan Kontrakan

Ari mandalika dua tangtungTangtungan nu nguyung wuyungWuyung catang, wuyung daunTingkeleper jangjang kukupuKukupu konéng selapna hideungMuntur-muntir mandalikaMuntiring hasrat jeung niat

Gigir sirsak aya sokaSoka-soka kembang mangkakMangkakna beureum belenongBelenong sono, belenong mohoMoho rupa, nyoso warnaTingharéang éngang Éngang biru, éngang tarumMuihkeun panggal kakangenNu mucuk na sanubari

2013

Atép Kurnia, lahir di Bandung, 10 Méi 1979.Sajak-sajakna dimuat dina Majalah SundaManglé jeung tabloid Sunda Galura.

Page 29: Mangle 2451

28 Manglé 2451

Pamarentah ngaliwatan KementerianPemberdayaan Perempuan dan Per-lindungan Anak jeung Kementerian

Dalam Negeri ngagelar kagiatan pikeunngaronjatkeun kapasitas Caleg wanoja dinaPemilu 2014. Kagiatan ieu dihadiran ku ibuMenteri Linda Gumelar jeung GubernurJabar, H. Ahmad Heryawan.

Patalina jeung dilaksanakeunana ka-giatan ieu, ibu Linda dina biantarana nete-lakeun yen dina ngaronjatkeun kapasitasCaleg wanoja dina Pemilu 2014 téh mang -rupa kabutuhan jeung hak pulitik parawanoja anu kudu ditedunan sarta mang -rupa hiji implementasi ‘affirmative action’,kusabab Caleg wanoja boga batasan, sum-berdaya pulitik jeung pangalaman dina per-saingan di pasar pulitik.

Nilik kana UU Nomor 7 Tahun 1984 nge-unaan Pengesahan Konvensi MengenaiPenghapusan Segala Bentuk DiskriminasiTerhadap Perempuan, pamarentah bogakawajiban pikeun ngapasilitasi “pem-bekalan” keur para Caleg wanoja.

Ngaliwatan kagiatan ieu dipiharep paraCaleg wanoja bisa nyumbang pikiran sartangabina gawebareng dina enggoning

ngumpulkeun sora dina Pemilu 2014. Nurutkeun Linda Gumelar, aleg wanoja

dipiharep sangkan bisa leuwih merhatikeunkana kamekaran aspirasi rahayat. Dinakontek kampanye kudu bisa pokus kanakapentingan, aspirasi, kabutuhan jeungrupa-rupa masalah ngeunaan wanoja jeunganak. Opat point anu kudu diperhatikeunku para caleg wanoja. Kahiji, kudu bisa nga-posisikeun jeung merankeun minangkakampium demokrasi anu sajati sangkandina persaingan di pasar pulitik bisa ‘fair-ness’.

Kadua, mekarkeun ajen-inajen kama -nusaan anu adil jeung beradab pikeun nga-hontal kasuksesan sacara terhormat.

Katilu, ‘tebar keramahan’ atawa kudusomeah sacara pulitik keur para konstituensarta anu kaopat ngajauhkeun diri tinapraktek demokrasi transaksional.

Masarakat, dina Pemilu taun 2014 di-harepkeun kudu bisa milu ngarojong jeungnyukseskeun wakilan 30 persen wanoja diparlemen.

Linda Gumelar, netelakeun ukuran ka-majuan bangsa diukur dina indicator IPM.Indeks IPM anu nepi ka sababaraha indika-

tor nyaeta pendidikan, kasehatan jeungdaya beuli dina ngahontalna sacara na-sional nepi kana 72, 77 point . Tapi, keurgender mah masih aya jarak , dimana gen-der lalaki leuwih luhur dibanding wanoja.Pikeun indek gender wakil wanoja nepikana 69,14 point. Husus provinsi JawaBarat posisi IPM aya dina kaayaan alusnyaeta nepi kana 72,27 point.

Gubernur Jawa Barat, H. Ahmad Herya -wan dina kateranganana netelakeun yenPemprov. Jabar mere lolongkrang dina par-tisipasi wanoja jeung lalaki téh sarua.

Dina proses pencalegan kudu bisa refre-sentatif sarta Caleg wanoja bisa milu kom-petensi. Di lembaga legislatif, partisipasiwanoja nyekel peranan anu penting, kuayana wanoja minangka anggota legislatifdipiharep bisa milu merjuangkeun hak-hakwanoja. Nilik kana konteks masalah pang-wangunan anu keur karandapan ayeuna,kahadiran anggota legislatif wanoja dipi-harep bisa milu partisipasi keurngarengsekeun rupa-rupa masalah anukeur mekar di saba baraha wilayah di-antarana masalah luhur na Angka KematianIbu (AKI) dina ngalahirkeun jeung AngkaKematian Bayi (AKB). Lian ti éta nasib paraTKI atawa TKW hususna di Jawa Barat jadipasualan nu kudu direngsekeun sagan-cangna.*** (AS)

Ningkatkeun Ajen Pulitik Wanoja

Hal eta ditandeskeun ku Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawandina acara silaturahmi antara gupenur jeung seniman-bu-dayawan Jawa Barat di Gedong Pakuan (Guernuran) Jl. Otto

Iskandardinata Bandung (9/11), “ti kapungkur abdi teu weleh ngarojongkasundaan, malih Kang Ganjar Kurnia(rektor Unpad) kantos nga-jengkeun 2 miliyar kanggo ngadamel kamus, abdi siap, namung haritapanitiana teu acan siap. Tah ayeuna (pihak Ajip Rosidi saparakanca ) bademedalkeun kamus Utama Basa Sunda 30 rebu entry, hayu urang damelda aya APBD keur kamajuan urang Sunda”, Kitu saurna gupernur pasti.Heryawan baris nganggarkeun waragad 4 miliyar tina APBD(Anggaran &Pendapatan Belanja Daerah) keur medalkeun Kamus Utama Basa Sunda(KUBS) jeung Ensiklopedi Budaya Sunda nu damina bakal medal dinataun 2014.Gupernur ge netelakeun seja ngabeberes pasualan kasenian diJawa Barat dianatarana rek ngawangun gedong kasenian 4 hektar kapa-sitas 5 rebu panongton di wewengkon Cikutra DED-na taun 2014 dimimit-ian,jeung rek “nyintreuk” mun kapanggih aya pihak nu motong duitproposal.Heryawan ge seja ngagedurkeun deui pasanggiri-pasanggirikasenian Sunda saperti pasanggiri Kawih, Kapesindenan, Tembang Cian-juran, Anggana Sekar, Rampak Sekar, Penca Silat, malah budaya jeungseni nu rek tumpur ge rek diangkat deui, “Ulah sieun aya waragadna tinaAPBD. Urang memang kedah reueus kana basa sareng buadaya Sunda,reuueus kana anugerah Alloh SWT, “, kitu jangjina,

Saacanna dina paguneman, Ajip Rosidi netelakeun ka gupernur, pi-hakna nuju ngarengsekeun Kamus Utama Basa Sunda nu munel jeungpanglengkepna. Maksud nyusun KUBS cek Ajip taya lian sangkan urangSunda reueus jadi urang Sunda sabab “ Urang jadi urang Sunda teh lainkahayang sorangan tapi katangtosa Alloh, numawi kudu agul jadi urangSunda teh jeung kudu reueus kana basana, sabab basa Sunda tehnuduhkeun yen urang Sunda teh aya, lamun basana leungit urang Sundage taya, daeta basa teh ciciren bangsa”, kitu pokna. Nyieun kamus jigana

keur ngayonan kahariwangna lantaran generasi kiwari ngamomorekeunbasa Sunda.Kiwari mah nanya ka barudak ku basa Sunda dijawab ku basaIndonesia, beda jeung di Yogya nanya ku basa Indonesia dijawab ku basaJawa. Aya deui indung-bapana Sunda nyarita ku basa Sunda ari ngadididkbudakna ku basa Indonesia.

Ajip ge miharep pemda kudu ngusahakeun tempat pikeun kreasi jeungapresiasi seni pikeun barudak ngora, jadi kudu aya tempat kasenian.Sabab Ajip nilik pamarentah kurang ngarojong ka seniman, baheula taun1970 tina panalungtikan Pa Enoch Atmadibrata netelakeun aya 350 jeniskasenian di Jawa Barat, kiwari duka kari sabaraha, reog ge nu taun 60-anmanggung duka ngapung ka mana komo Pantun nu buhun . Memangsalila ieu aya hibah jeung panghargaan keur seniman, tapi upami pasili-tasna kumplit, seniman ge moal namprak ka pamarentah da bisaberdikari. Lian ti eta museum seni rupa nu pantes ge kudu ngadeg di Ban-dung, sabab loba pelukis-pelukis Bandung nu kualitasna internasional,Jadi rek kamana engke lamun aya urang luar negri nu hayang ningali luk-isan Kabul, Srihadi, Ahmad Sadali jeeung sajabana, ”Intina pasualankasenian kudu dibeberes deui, ti mimiti museum kasenian , kitu deui pro-posal seniman nu loba kabejakeun sok dipotong ku pemda 40% atawananu jarulig nyeiun program-program fiktif .Sabab ieu bakal ngurangan an-tusiasme seniman kana karyana”, kitu saurna tandes.

Rawuh dina eta acara, Tjetje Hidajat Padmadinata, Dede Maraiana, UuRukmana, Asep Sunandar Sunarya, Aat Soeratin, Gugum Gumbira, In-drawati Lukman, Irawati Durban, Ubun Kubarsyah, Ceu Popong, CecepBurdansyah, Aam Amalia, Abdulah Mustafa, Karno Kartadibrata, ElinSyamsuri, katut organisasi-organisasi kasundaan. Acara direuah-reuahku pintonan tari jeung rampak sekar, samalah dina panutup GupernurHeryawan kaul disarengan Neneg Dinar ngahaleuang Bandung Lembangjeung Sorban Palid dipirig kacapi.***

(Asep GP)

Silaturahmi Gupernur Jabar Jeung Seniman-BudayawanPemprof Ngarojong Medalna Kamus Utama Basa Sunda

Page 30: Mangle 2451

Manglé 2451 29

Ragam karateristik daerah mere kon-sekuensi nu mandiri dina implemen-tasi otonomi daerah alhasil antara hiji

daerah jeung daerah lainna ge nerapkeunstrategi nu beda. Karagaman ieu ge katamba-han ku kondisi sumber daya alam (SDA) nukacida bervariasina. Keur daerah nu beungharSDA-na, prinsip desentralisasi ngaliwatan im-plementasi otonomi daerah mangrupa berkahnu ngajangjikeun karaharjaan keur masya -rakat di eta daerah. Tapi keur daerah numinus, para pamingpin daerah kudu meresuteukna sangkan iklim investasi di daerah bisabener-bener “bergairah” ku jalan ngaronjat -keun gawe bareng (network), boh antar daerahatawa antar negara.

Loba studi nu ngebrehkeun yen lumang-sungna otonomi daerah ti wangkid taun 2001geus nambah “rumeuk” iklim investasi di In-donesia. Kurangna palayanan publik, ku-rangna kapastian hukum, jeung saniskaraPeraturan Daerah nu teu “pro-bisnis” diiden-tifikasi jadi bukti iklim bisnis nu teu kondusif.Palayanan publik nu dianggap kurang uta-mana pakait jeung teu puguhna waragad jeunglilana waktu nu aya urusanna jeung perizinankatut birokrasi. Tacan ditambah ku ayanakeneh rupa-rupa “pungutan” legal jeung “liar”,nu kudu dibayar pausahaan keur para patugas,pajabat, jeung pareman. Alesan utama kahari-wang investor ngajalankeun bisnis di Indone-sia jeung di daerah-daerah nyaeta kuteustabilna ekonomi makro, kawijakan nu teupasti, korupsi multilevel ti puseur nepi kadaerah, perizinan usaha, jeung regulasi pasartanaga kerja (Kuncoro, 2007).

Upaya pikeun ngabeberes iklim investasijeung ngagairahkeun sektor riil geus beakdengkak diusahakeun. Dina era presidenMegawati dicanangkeun “Tahun Investasi”. Kuharepan jeung mandat nu gede ti rayat sartawarisan kinerja makroekonomi nu leuwih hadesalila periode Megawati, dina mangsa kapam-ingpinan Presiden SBY-JK, pamarentahngaluar keun Inpres No. 3 Tahun 2006 ngeu-naan Paket Kebijakan Perbaikan Iklim Inves-tasi. Tina sisi cakupan, ieu paket cukupkomprehensif sabab mencanangkan 85 ren-cana tindakan nu digolongkeun kana per-baikan kelembagaan investasi sacara umum,bea cukai, perpajakan, ketenagakerjaan, jeungUMKM. Bank Indonesia ge bertahap geus nu-runkeun BI rate nepi ka di sahandapeun 9%harepanana investasi jeung sektor riil bisalangsung dijalankeun.

Dina 18 Desember 2006 Menteri Koordina-tor Bidang Perekonomian, Boediono, geusmedar hasil panitenan palaksanaan Inpres No.3 Tahun 2006 nepi ka bulan Desember 2006.Tina dalapan bulan munggaran (Maret s.d. De-sember 2006) palaksanaan Inpres, tina 85

“tindakan/keluaran” nu kudu direngsekeun,ngan 35 tindakan nu dianggap lekasan, 15tacan keneh bisa direngsekeun saluyu “sararanwaktu (pending)”, djeung 35 terus lumang-sung. “Dengan kata lain”, diitung tina total 50tindakan nu saluyu jadual, 35 tindakan nurengse sarua jeung 71% tindakan. Tindakan nudianggap rengse perlu “ditindaklanjuti” ku im-plementasi jeung sosialisasi ka sakuliah daerahdi Indonesia.

Dumasar data ti BKPM, ti wangkid taun2000 realisasi investasi penanaman modaldalam negeri atawana penanaman modal asingterus ngalaman fluktuasi ngan sscara total mo-rosot drastis dina taun 2003. Turunna nileyinvestasi disababkeun ku sababaraha pajakjeung retribusi (Kuncoro, 2006). Tina lima fak-tor eta, perizinan memang disinyalir mangru-pakeun salah sahiji faktor utama nu jajadihahalang dina ngamimitian jeung mekarkeunusah di indonesia. Hal ieu katohyan ku ayanakateusugemaan/keluhan-keluhan ti parapalaku usaha nu aya pakaitna jeung prosesperizinan, nyaeta (Pedoman PPTSP, 2007):

Biaya ngurus perizinan jadi kabeungbeuratno pohara pikeun palaku usaha kecil sababwaragadna cukup signifikan lamun diband-ingkeun jeung aset atawa omsetna. Umpanapalaku usaha nu modalna ukur 20 juta perak,ngurus izinna bisa meakeun 20% tina modal.Nu jadi salah sahiji sababna, “pemohon” teuapal kana biaya resmi keur ngurus izin jeungayana “pungutan liar (pungli)”.

Waktu nu diperlukeun keur ngurus periz-inan relatif lila akibat tina proses nu pabeulit,kaluarna izin ge teu pasti. Lilana waktu prosesperizinan gumantung ka pola birokrasi satem-pat. Pasaratan nu sarua jeung terus-terusandipenta keur sagala jenis izin. Pasaratan-pasaratan nu ditetepkeun reremenna hesekapimilik. Informasi nu dibutuhkeun teunyamapak jeung aya sababaraha pasaratan nuhese ditedunan uatamana ku pangusaha leu-tik. Kondisi di luhur ge diungkab kusababaraha studi nu dilakukeun ku sababarahakalangan. Kacindekan sababaraha hasil studieta di antarana: birokrasi perizinan geus nyip-takeun hahalang dina hal perizinan usaha diIndonesia dimana biaya keur ngurus izin usahangahontal 3% nepi ka 10% tina modal usaha(Andadari, 1997); proses perizinan butuhwaktu 151 poe ku biaya 104 USD (Bank Dunia,2006); pungutan liar ngahontal leuwih ti 300%(Rustiani, TAF, 2000); biaya per prosedur se-tara/sapangaji jeung 194 USD; jeung waktunganti-nganti kaluarna izin ngahontal 10 bulanalhasil berpotensi ngaleungitkeun laba bersihsajumlah 1.036 USD atawa kira-kira 90% tinatotal biaya nu dibutuhkeun keur ngadegkeunhiji “usaha kecil” (de Soto, 1992).

Perizinan nyaeta kagiatan minangka

ciri/tanda demi kawangunna sektor ekonomiformal. Sacara administratif, tina kagiatan per-izinan kapanggih data jeung informasi dasarkeur ngukur tumuwuhna perekonomian nu di-wujudkeun ngaliwatan usaha-usaha formal.Kondisi perekonomian eta digambarkeunngaliwatan informasi ngeunaan investasi jeungiklim usaha. Investasi ngagambarkeun alirandana nu mangrupa fungsi penggerak sumber-daya ekonomi lianna, nu saterusna kasusunjadi hiji iklim usaha. Investasi mangrupa ka-putusan usaha nu dirojong ku kahayang keurneangan profit, tapi dina konteks nu leuwihjembar, ngandung mangfaat sosial nu cukupgede, diantarana bisa meunang atawa lobanyiptakeun lapangan keria, nu bisa mukakeundeui pasar tenaga kerja jeung pasar finansial.

Iklim usaha raket pakaitna jeung faktor-fak-tor ekonomi, saperti naekna harga produksi,nu diakibatkeun ku undakna harga BBM, nunyaliara kana naekna harga-harga bahan bakudiaku jadi pangdorong naikna faktor-faktorproduksi. Lian ti eta naekna harga teh jadi kon-tribusi utama kana morosotna daya beulimasarakat, masarakat nahan diri teu sag-awayah ngabalanjakeun duitna kana barangjeung jasa nu sifatna suplemen. Lian faktor-faktor ekonomi, dunya usaha di Indonesia genyanghareupan hahalang faktor non ekonomi,dianatarana kawijakan jeung perilaku pa-marentah nu teu kondusif keur dunya usaha,ayana regulatory burden akibat "konflik" reg-ulasi antar sektor jeung antar level pamarenta-han, inkonsistensi kawijakan perpajakandjeung cukai, pasualan katanagakerjaan, pung-utan-pungutan jeung infrastruktur, nuberkonsekuensi kana biaya sewang-sewangan.Masalahnya, biaya dimaksud penuh denganaroma ketidakpastian dan transaksional terkaitdengan perizinan usaha baik bagi pendirianusaha baru maupun pengembangan usaha.

Faktor perizinan saterusna dipercaya jadisalah sahiji hahalang dina ngabaladah jeungmekarkeun usaha di Indonesia. Aya tilu hal nudipikahayang investor jeung pangusaha:penyederhanaan sistem jeung perizinan,ngabeberes “pungutan” nu teu paruguh, sartatransparansi biaya perizinan. Tungtutansangkan dibeberesna tilu hal ieu pisan nungadorong karep pamarentah ngalak-sanakeun upaya-upaya konkret demi robahnaparadigma palayanan sacara umum jeunghususna keur ngaronjatkeun kualitaspalayanan perizinan pikeun ngadorong lajuinvestasi keur tumuwuhna ekonomi.**(La-jengkeuneun)

*) Guru Besar Ilmu PemerintahanUnpad. Dosen FISIP dan PascasarjanaUnpad. Kapuslit Kebijakan Publik danKewilayahan LPPM Unpad.

Kawijakan Otonomi Daerah Kasempetan keur Investasi

Ku Dede Mariana

Page 31: Mangle 2451

30 Manglé 2451

Ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

Page 32: Mangle 2451
Page 33: Mangle 2451

Majalah dialungkeun. Hatémentegeg. Keuheul, kesel,sebel! Teu ngarti kitu

nyieun carpon téh hésé? Milihanbasa téh teu cukup ku sapoé- duapoé. Néangan ideu caritana lainsapeuting- dua peuting. Canngetikna, maling-maling di sela-sela tugas sakola jeung PR nungabugbrug. Kari-kari ayeunadimuat. Sakuduna mah atoh caranu séjén. Tapi ieu mah henteu,kalah ka matak keuheul. Atuda rékteu kitu kumaha, loba nu salahketik jeung salah édit nu matakmawa béda harti, teu nyambungjeung ideu carita.

Belewer, bullétin sakola dia -lungkeun. Pluk! Hareupeun pantokamar. Awak satengah dibeu beut -keun kana spring béd. Koplok!Kalah ngalangkang beungeutna nukeur nyeungseurikeun. Kuringneuleumkeun sirah kana bantal.Hhhh...hudang deui, eungap.

Kuniang hudang, ngadon nga-janteng handapeun jandéla kamar.Girimis ngaririncik, jarum-jarumna nurihan dangdaunan.Beuki nyérédét basa dina kacajandéla kalah kagambar deui nunyeungseurikeun bangun numupuas. Leungeun kénca hidengngelapan ibun dina kaca jandéla.Cékas deui, tapi kalangkang nuseuri teu euih-euih montél dinainget an. Koplok!

Kudu diwarah ngarah teusangeunahna. Kudu dilabrak!Émangna manéhna saha? Ngeunahwaé ka batur téh. Pirakadar éditorrubrik fiksi bullétin sakola, geuswani-wani ngajago.

Kuring ngajanteng handapeun

tangkal angsana saencan gerbang.Ti kajauhan kaciri murudul baru-dak kelas 2Tp-1. Rentang-rentangmanéhna datang, kuring taki-taki,buru-buru nyegat.

“Nda!”Manéhna ngarandeg.“Héy! Aya naon, Ya?”Pasti reuwaseun ningali paro-

man kuring nu teu kawawa nahanpiambekeun.

“Tah, baca!” dibalédogkeun bul-létin sakola kana dadana. Tanginasmanéhna nampanan.

“Nu mana?”“Carpon Tia. Kunaon saralah

ngetik? Saralah ngédit? Teu balégpisan...mun kira-kira teu becusjadi....!”

“Ké...ké...heup! lalaunansasauran téh, mani kawas karétapatas, mani teu nyakola lambeytéh, ujug-ujug gantawang waényarékan...”

“Pék wé baca deui ku soran-gan...kawas nu kakara waé atuhjadi éditor téh!” kuring ngajéngkat,kesel, teu hayang adu rényom deuijeung nu kitu patut. Nanda batiolohok nyerangkeun tonggong kur-ing nu beuki ngajauhan.

Ih...kasebeleun, isukan ayaulangan. Pikiran buntu. Boro-borokeur ngapalkeun, teu bisa dipakésaré-saré acan. Buku pelajaran di-antep ngabarak luhureun méja be-lajar. Golédag kana spring béd.Anjriiiiit......si kasebelan ngadon

Carpon Manglé Rumaja

Nu Ligar MunggaranKu Tuti Haryanti

Manglé 245132

Page 34: Mangle 2451

Manglé 2451 33

napel na lalangit kamar. Kunianghudang, gék sisi ranjang.

“Aku tak tahu apa yang kura sa -kan dalam hatiku, pertama kalilihat dirimu, melihatmu....”

Tembang “Percaya Padaku” nudijadikeun nada panggil HP disada.Kuring ngarénjag. Gap kana HP gi-gireun bantal, ngaran Nanda dinalayar. Nut, dipareuman.

Teu hayang nampa telepon timanéhna. Geuleuh tuda. Keuheulkénéh. Sebeeeeell!

Teu lila, Pasha Ungugogorowokan deui. Nut, dipa reum -an deui. Ngagorowok deui, di-pareuman deui. Ngagorowokdeui......Hhhhh, kapaksa diangkat.

“Hallo!” ceuk sora ti beulahditu.

“Naon atuh mani ngaganggupisan!” kuring langsung nyelseueul.

“Ih ieu mah, ari aya nanaon téhsok tara tataros heula,” ceuk soraNanda ti béh ditu semu ngarahuh.

“Laaah...rék ngapalkeun!” ku -ring angger teugeug, moal méréanpisan.

“Ya, tadi énjing Si Déni dipang-gil ku kapala sakola. Tia tos apal?”

“Sabodo teuing, rék dipanggilku kepsek, ku pulisi, taya hubu -nganana jeung kuring. Naon atuhmaké los-los ngomongkeun SiDéni?”

“Aya hubunganana atuh. Da SiDéni dipanggil ku kepsek téh lan-taran artikelna dina bullétinsakola.”

“Nu nyindiran kawijakankepsek anyar ngeunaan sumban-gan wajib keur ngabangun sakola?”kuring mimiti kataji ku jejerobrolan,”Artikel hadé éta téh. Ku-naon, nyah?”

“Hadé ceuk saha? Da ceuksakola mah pencemaran nama baiksekolah tatéh. Malah kolotna SiDani dipanggil sagala ku ketuayayasan. Cenah mah rék disinahngundurkeun diri ti sakola.”

Kuring curinghak,”Ah...teu adil.Uramg démo tah kapala sakola téh,sakalian jeung ketua yayasanana.”

Sora seuri ti béh ditu. Jep ku -ring jempé.

“Ari aya nanaon téh mani

gampil émosi Tia mah,” cenah,semu nyeungseurikeun.

“Tuda enya, teu adil. Tuman,tong diantep lah, nu kitu mah!”kuring masih kénéh nyeuneu.

“Sesah milari kaadilandi dunyamah, Ya. Barina didémo gé karugi-rugi urang. Heug jadi masalah.Keun waélah, kitu karepna, urangmah pokona diajar wé nu bener,”pokna kawas omongan jelema nuumurna dua tikeleun ti manéhna.

“Tah, perkawis carpon Tia tea,ngahaja ku Nanda diédit sawaréh,disamarkeun ngarah teu kaciri teu-ing anarkisna. Da jejer carpon Tiagé teu tebih sareng artikel SiDéni...,” Nanda angger leuleuy.

“Jadi...?” hiiiiiih, naha haté betléah?

“Nya punten wé pami Nandateu nyungkeun widi heula ka Tia,tuda pan waktosna heureut. Jabapan sanés carpon Tia wungkul nudiropéa téh. Tah kitu, Ya, mugisalira teu janten bendu, da Nandamah sok nyeri haté mun dibenduanku Tia téh!”

Hah! naon cenah? Ah...gombal!“Hallo...Ya...?”“Éh....eu.....,” kuring ngadadak

pireu.

“Keresa teu ngahapuntenNanda?”

Enya lah....asal tong sakali-kalideui!” cekéng.

“Duh...hatur nuhun nya! Damatak kitu gé Nanda téh nyaah kaTia, tong nepikeun ka aya masalahgara-gara carpon Tia nu...”

Ah...teu jelas deui naon anudiomongkeun ku Nanda. Geus teupati dipaliré, ceuli ngadadak bongé.Dina jero dada kuring ujug-ujugngaguruh kawas air terjun Cipan-car.

“Hallo...?”“Éh...eu...muhun, kumaha?”

sora ujug-ujug ngageter, teukawawa nahan rasa.

“I love you, Tia...,” sora Nandasemu nu ngaharéwos. Nut, HP di-pareuman ti béh ditu. Kari kuringnu ngabigeu sorangan.

Dina lalangit kamar, dina kacajandéla, dina eunteung, dina pantolomari, dina lambaran buku panga-jaran.....bet aya Nanda nu keurimut, pika...lucueun! Nandaaa -aaaa!***

(Nu nulis, siswi SMKPrabu Sakti 2, Jl. Kaptén

Halim, Simpang, Pur-wakarta)

Page 35: Mangle 2451

34 Manglé 2451

Pasti saréréa geus padaapalkana internét. Paling hen-teu, sabagéan gedé pasti

geus arapal, komo para rumajamah. Tangtu geus apal tur loba nugeus nyoba ngainternét. Di dunyainternét anu sering disebut “duniamaya”, sagala rupa pangaweruhéstuning kumplit. Klik baé google,nu merlukeun info naon waé pastiinternét bisaeun ngajawab.

Puguh gé béda jeung jaman ba-heula. Baheula mah mun aya anuteu apal kana hiji hal, upamanabaé ngaran rupa-rupa bungbua-han atawa obat-obatan kampung,cukup ku nanyakeun ka parasepuh. Obat raheut ceuk sepuhmah metik baé daun babadotan.Tah, ayeuna mah anu kitu téh bisa“ditanyakeun” ka internét.

Tapi kadé, dina ngoperasikeun -ana ulah kalalanjoan, nepi ka culdogdog tinggal igel. Mopohokeunpangajaran sakola atawa nepi kasholat ogé jadi belang betong.Sabab, dina internét mah anuhadé anu goréng ogé éstuningsamakbruk sagala aya. Tinggalurang salaku anu maké kuduleuwih asak milih. Lamun aya nuteu pantes dilalajoan, nya atuhulah dilalajoan. Mémang, kuayana internét téh pikeun parasepuh mah jadi leuwih loba ka-hariwang, kasalempang, sieun diluareun imah budakna sok isengnyéwa internét. Sakapeung sok ra-jeun merego aya sababaraha urangmurid SD atawa SMP anu nyéwainternétna téh sok leuwih ti sajam.Naha keur lalajo naon atuh ma -ranéhna téh? Naha ku parasepuhna teu disilidik jeung teudibéré kategasan? Mun geus kitu,kumaha teuing pikahareupeun -

ana?Sakali mangsa, kungsi ngobrol

jeung salah saurang ustadz, anunyebatkeun yén di bumina mahteu aya tipi atawa radio. Lain teukabedag meuli, cenah, tapi sang -kan budak jadi leuwih pokus kanapangajaran sakola jeung husu dinaibadahna. Komo deui di dunya in-ternét, budakna ulah nepi kanyaho. Tapi, saenyana mah bohinternét, radio boh tipi, di sagi-gireun madorotna, loba ogé pulu -ng aneunana.

Kasawang lamun teu bogasama sakali mah, atuh kulawargatéh bakal tinggaleun informasi,anu pangaruhna si budak bisa jadikuper alias kurang pergaulan.Lamun kitu-kitu teuing mahdeuih, saha anu rugi lamun lainsepuhma-sepuhna deui. Lantarandina jaman kiwari mah, boh dilingkungan boh di sakola, sagalarupa téh teu leupas kaitananajeung tehnologi katut pangawe -ruh-pangaweruh nu teu weléhanyar. Mémang, jaman kiwarihésé misahkeun dua alat hiburanéta. Geura, lain baé di sakola-sakola, ka pasantrén ogé unternéttéh geus asup. Para santri, lian tineuleuman élmu agama ogé diwa-jibkeun sina dialajar “ngeblog”.

Jadi, internét téh hébat, hébat!Nepi ka aya pasualan teu uni gématak ngageunjleungkeun nusan-tara. Tapi nya kitu, boh internétboh telepisi, anu ngandung tung-tunan mah ukur sabaraha per-sénna. Lolobana mah info anupidorakaeun wungkul. Matak,lamu dipikir deui, leuwih hadé teuboga telepisi atawa tong pirajeu-nan nyoba ngainternét. Keun baédisebut rumaja tinggaleun haman

gé, tinimbang unggal poé anu di -pilampah téh anu matak jinahmata wungkul. Sakuduna rumajatong nganteur teuing kahayangsétan. Angguran rumaja mh salianti rajin nungtut élmu pangaweruhtéh ogé kudu dibarengan ku husuibadah ka Alloh. Lantaran, hirupdi dunya téh ngan ukur ngumbara,jadi perlu pibekeleun jaga diyaomil ahir. Pikeun rumaja anubisa gaul leuwih lega, mémangkacida hadéna. Tapi kadé ulahnepi ka kamalinaan. Dina obrolanjeung saha baé kudu dikurangan,ulah nyaritakeun kagorénganbatur. Sabab, jalma anu sok nyari-takeun kagoréngan batur téh saruajeung ngadahar bangké sorangan.Mémang, puguh gé matak ngeu-nah mun geus nyaritakeun baturtéh, bari bungah seuseurian. Atuhteu karasa waktu ti isuk-isuk nepika soré téh asa teu karasa. Tapinengetan jalma kiwari, jigana héséngaleungitkeun kabiasaan kitutéh, komo deui mun aya warta diinternét atawa dina telepisi anuhaneut, teu sirikna arateul munbiwir teu pipilueun nyaritakeuntéh.

Rumaja anu karitu, saliwatmah katingali paromanna arawétngora, anu padahal haténa ge-uneuk maleukmeuk, anu ceukpikirna, nu penting unggal poénéangan kabungah haté, bisangaleungitkeun strés.

Ngaliwatan tulisan ieu, Kakaumajak ka para rumaja, lamun ayawarta naon baé dina internétatawa telepisi kudu norék bariistigfar sarta teu petot ngadu’a kaAlloh SWT sangkan dijauhkeuntina kalakuan nu patukang tong-gong jeung agama. Cag.***

Rumaja

Internét jeung TelevisiKu Ida Rukmana RK

Page 36: Mangle 2451

Manglé 2451 35

“Karesep kana dipoto téhmémang ti aalit,” mojang geulisieu muka obrolanana jeung MR.“Alhamdulillah, kantos kéngingsababaraha penghargaan, soksanaos teu acan dugi ka tingkatnasional,” ceuk mojang lenjanglulusan SMAN 1 Ciranjang, anunaratas karir poto modél ti ja -man keur sakola kénéh di SMP

ieu muka obrolanana jeung MR.Resep kana dipoto téh mé-

mang ti bubudak. Kajurung kuresep bari dirojong ku kula -warga jeung babaturanana, mo-jang kalahiran Bandung 30 Juli1995 ieu, kacida keyeng tur da -riana pikeun neuleuman dunyapoto modél.

Lain ukur resep, teu ukur

hayang ulin sukan-sukan, Intan darianeuleuman dunyamodél disartaan kusumanget rumajanu ngagalura. Macadata data prés-tasina, dina widangpoto modél, prés-tasi mojang nulungguh timpuh an-dalemi ieu kawilangeuyeub. Kulantarankitu, “Abdi ageungpisan harepan,gaduh cita-cita ho -yong janten modélpropésional di In-donésia,” poknabari teu leupas tinaimutna.

Neuteup pame-unteu jeung dede-ganana, mojangmanis urang Cian-jur ieu payus pisanlamun ancrub kadunya poto modél.Dina widang potomodél, KurniaIntan Sari Yulia,kitu ngaranlengkepna, ka -wilang geus ti béhditu mula milukana rupa-rupalomba. Di antaranabaé jadi FinalisModeling ActingPresenting 2009,Juara II LombaModél Cover Ma-jalah Pendidikan

Al-Anwar 2010, Juara II LombaFotogenik di PT. Real Visindo-tama, Juara II Lomba FotogenikAl-Anwar Event Bandung BaratTerbuka Tingkat SMP/SMA2010 jeung Juara II LombaModél Sampul MajalahISMA.***

(Narti/poto: istiméwa)

Kurnia Intan Sari YuliaHayang Jadi Modél Propésional

Page 37: Mangle 2451

36 Manglé 2451

Mekarna pangwangunanKota Bandung minangkaKota Jasa ngalantarankeun

mesatna pangwangunan di sagalawidang, saperti pangwangunan infrastruktur, padagangan, jeung industri.Éta hal ogé geus ngalantarankeun réawarga ti luar kota, pangpangna tipilemburan, nu bubuara ka Kota Ban-dung boh ngadon sakola boh ngadonusaha. Hal sarupa kitu ngalantaran -keun padumuk Kota Bandung ti taunka taun éstu beuki padet baé.

“Urbanisasi ti désa ka kota anu terasmerul parantos ngadatangkeun dam -pak négatip, nyaéta turunna kualitaslingkungan kulantaran ayana pece-maran lingkungan, sapertos terasnumpukna runtah, kalebet limbahB3,” kitu ditétélakeun ku anggota Pan-sus DPRD Kota Bandung, Drs.H.Na -nang Sugiri MH, ka manglé sawatarawaktu nu kaliwat.

Nanang ogé nétélakeun, soksanajan mekarna pangwangunantéh ngadatangkeun pangaruh anunégatip, masarakat Kota Bandungmah tetep miharep kaayaanlingkungan nu beresih tur séhat.Ku kituna, pamaréntah kudu gan-cang ngungkulan pasualan ruk-sakna lingkungan bari ngajagatur miara lingkungan .

Utamana dina ngalaksanakeunpangwangunan industri, ulahnepi ka ngadatangkeun limbah B3 ( Bahan Berbahaya dan Beracun). Éta limbah salian ti ngabalukarkeunpencemaran nu ngaruksak lingkungantéh, ogé jadi bibit buit kasakit kabalaréa.

Pangwangunan dina widang indus-tri bisa ningkatkeun jumlah limbahB3. Ku kituna, pamaréntah kudu na -lingakeun, ngokolakeun, sarta ngada-likeun limbah B3 sangkan ulah nepi ka

jadi bibit buit kasakit tur ngaruksaklingkungan. Pikeun ngahontal éta hal,dina waktu nu bakal datang PemkotBandung bakal medalkeun Perda(Peraturan Daerah), nu ayeuna keurdipadungdeungkeun di DPRD KotaBandung, dina tahap lembaran kotangeunaan Raperda (Rancangan Perat-uran Daerah) ngolah sarta ngada-likeun B3.

Nanang anu ogé kacatet minangkaanggota déwan ti Partai Amanat Na-sional DPRD Kota Bandung, ngémbo-han, beuki goréngna kualitas ling kungan téh balukar tina padedetnapadumuk sarta kerepna aktipitas kotanu teu puguh lajuna.

Éta hal ngabalukarkeun kaayaanbiopisik mingkin ruksak. Hal sarupakitu katémbong tina mingkin go -réngna produksi cai, sanitasi ling -kung an, sarta nyirorotna kualitas caiwalungan. Pon kitu deui polusi hawakota, beuki ruksak ku ayana aktipitasindustry, boh industri rumah tanggaboh industri pausahaan.

Dumasar kana Undang-undangtaun 1945, lingkungan hirup kudu di-jaga sarta dipiara, sangkan mampuhngarojong kagiatan pangwangunan numanjangsinambungan tur neueulkana wawasan lingkungan. Pikeunngahontal éta udagan, sarta ngungku-lan pasualan polusi, pamaréntah KotaBandung kudu nyadiakeun sarana

Limbah B3Sumber Kasakit turNgaruksak Lingkungan

Drs.H.Nanang Sugiri MH,

Anggota Pansus DPRD Kota Bandung (dok.)

Padetna padumuk ngalantarankeun kualitas lingkungan &sanitasi terus nyirorot (nét)

Page 38: Mangle 2451

Manglé 2451 37

jeung prasarana nu cukup, SDM(sumber daya manusa) nu rancagé,ngadata pausahaan-pausahaan anungahasilkeun limbah B3, tur nyatetpausahaan nu geus boga alat pikeunngolah limbah sangkan dina prak-prakanana nalingakeun, ngokolakeun,sarta ngadalikeun limbah B3 bisaleuwih optimal.

Sabada ngadata pausahan kudugancang nangtukeun pemetaan zonaindustri, pausahaan mana baé nu kaa-sup pausahaan nu ngaluarkeun lim-bah. Éta léngkah téh dilaksanakeun kupamaréntah Kota Bandung sangkanéféktip dina ngalaksanakeun panga -wasan, ngadalikeun, jeung ngoko-lakeun limbah. Ku kituna, pausahaannu méngpar tina aturan bakal gancangkapanggih.

Pikeun ngawujudkeun lingkungankota nu beresih tur sehat, sarta héjongémploh pinuh ku tatangkalan(Bersih Hijau dan Berbunga) pa-maréntah kudu ngahiap pausahaansangkan tanggung jawab tur sadarkana pentingna miara lingkungan, ogénumuwuhkeun kasadaran masarakatsangkan milu aub geusan milunalinga keun lingkungan, nyaéta ku

cara ngalaporkeun pausahaan nungarempak aturan, ka dinas anu ayapakaitna jeung éta hal, atawa ka aparatnu pangdeukeutna saperti kelurahanjeung kacamatan.

Medalna Perda ngeunaan prak-prakan ngokolakeun jeung ngada-likeun limbah B3 téh, mangrupa

papayung hukum dina ngalak-sanakeun pangawasan. Dina éta Perdadi antarana diunggelkeun rupa-rupakatangtuan, saperti nerapkeun sanksiadministrasi nepi ka sanksi pidana kapausahaan nu geus ngarempak atu-ran.***

Cucu /Dédé

Padumuk beuki padet runtah beuki numpuk (nét)

Masarakat kudu milu aub nalingakeun pausahaan nu ngarempak aturan (nét)

Page 39: Mangle 2451

38 Manglé 2451

Babasan hayang untung kalah jadibunting éstu bisa diterapkeun ka“D”, pagawé negeri sipil (PNS)

Dinas Pendidikan & Kebudayaan (Dis-dikbud) Kabupatén Bandung nu geusngagunakeun duit pajak Rp 5,7 miliar,keur kauntungan pribadi. Balukarna,nagara dirugikeun nepi ka Rp 7 miliar.Dana nu digasab téh nyaéta dana pajaktina sértifikasi 2012 nu sumberna tinaAPBN.

“D kedah urusan sareng nu berwajib,margi kalakuannana dilaporkeun kaPolrés Bandung alatan kabuktian nga-gasab duit pajak, nu ngarugikeun na-gara,” ceuk Asisten Perekonomian &Kesejahteraan Rakyat, Sétda KabupaténBandung, H Juhana, M.Mpd, waktutepung jeung Manglé di Soréang,sawatara waktu nu kaliwat.

Juhana ngajéntrékeun, ngalaporkeunD ka nu wajib téh waktu dirina masihkénéh nyekel kalungguhan Kepala Dis-dikbud Kabupatén Bandung. Malan lainsaukur jadi pihak nu ngalaporkeun tin-dak pidana korupsi di lingkungan Dis-dikbud Kabupatén Bandung,dirina ogé jadi pihak nu di-pariksa ku nu wajib tur geusnandatangan BAP. Harita pok -na, Juhana ditanya 11 pananyangeunaan pagawéan D salilajadi bendahara.

Nu jelas, pokna, minangkapingpinan di éta OPD dirinangarasa hémeng nyaksiantingkah laku bendaharana, nuteu luyu jeung PNS lianna.Malah nu matak nyurigakeunpisan mah, di bendahara téh sokaya dana tunéy nu jumlahnanepi ka miliaran. Padahalsaluyu jeung katangtuan, ben-dahara mah ukur nyatetkeunngamalirna duit jeung ti manasumberna, naha tina APBN,APBD provinsi atawa kabu-patén.

Kacurigaan leuwih nam-bahkan, sawaktu dipénta buktisetoran pajak D teu bisa mérébukti. Antukna Juhana ngaben-

tuk tim “ad hoc” nu dipingpin ku Sékdis-dikbud, Agus Firman (ayeuna ngajabatkadisdikbud, ngaganti Juhana nu jenengjadi asistén) pikeun nalungtik nu leuwihrinci kana pagawéan D. Tina hasilpanalungtikan dirina jeung tim, kabuk-tian éta bendahara téh geus ngagasabduit nagara keur kapentingan pribadi.

Ceuk pangakuan ti D, Juhana ngém-bohan, duit pajak nu digasabna téh di-paké usaha invéntasi béas, nganhanjakal nu tadina hayang paleuleuwihtina éta usaha, D kalah katipu. Nu jelas,pagawéan D éstuning dipilampah kusosoranganan.

“Sacara internal kadinasan, D tos di-pasihan sanksi, salian ti dicopot tina ja-batannana minangka bendahara téh,ogé tugasna dialihkeun janten staf disalah sahiji UPTD. Malih mah harita Dtetep diwajibkeun ngauihkeun deuidana pajak nu digasabna. Salian tidibérok ku polisi, D ogé diancam bakaldipecat tina PNS-na,” ceuk Juhana.

Juhana ngungkabkeun, dana nudikokolakeun ku Disdikbud téh jum-

lahna kurang leuwih Rp 1,3 trilyun, nusumberna lain saukur tina APBD kabu-patén tapi ogé ti provinsi jeung APBN.Tina dana APBN, kaasup ngamalirnadana sértifikasi nu jumlahna Rp 90 mil-yar per triwulan, jumlah pajak unggaltriwulan téh nepi ka Rp 12 milyar.

Ngeunaan ayana pihak nu nye-butkeun yén penggelapan dana pajak diDisdikbud alatan kurang pangawasanpingpinan, ceuk Juhana mah, nungomong samodél kitu téh ukur noongtina liang konci. Lantaran, D bisa nepi kadibawa ku pulisi gé alatan laporan tiKadisdikbud Kabupatén Bandung.

Kepala Inspéktorat Kabupatén Ban-dung, Yayan Subarna, éstu ngarasa pri-hatin ku ayana pasualan D nu geusngagasab dana pajak nepi ka Rp 5,7 mil-iar. Mucunghulna éta pasualan balukartina kurangna pangawasan ti “stake-holder” OPD di lingkungan gawéna.

Yayan nétalakeun, pajak nu digasabku D muarana tina dana sétifikasi nungamalir ti APBN. Ku sabab sumberdana ti pusat, inspéktorat teu boga

kawenangan mikeun mariksa.Inspéktorat kabupatén mahukur mariksa dana APBD kabu-patén nu digunakeun ku sabanOPD.

“Inspéktorat mah teu ngaraoskacolongan, margi danana ogésanés ti APBD,” pokna.

Anggota DPRD KabupaténBandung, H Matin, nandeskeun,ayana pasualan di lingkunganDisdikbud téh balukar tina ku-rangna pangawasan ti pingpinanOPD di lingkungan gawéna.

“Éta kajantenan kusababpeng wasan melekat atanapiwaskat ti kepala dinas kirang.Mung saleresna, nu kedah di-talungktik sanés wungkul ko-rupsi nu katingal sapertos kasusD, di Pemkab Bandung aya ogétransaksi nu ngajurus kana ko-ruspi di handapeun méja,”pokna.***

nunk

Saurang PNS Kab. BandungUrusan jeung Pulisi Alatan Korupsi

Page 40: Mangle 2451

Manglé 2451 39

The Bandung Paper Art Showmang rupa paméran karya seni numaké médium/bahan keretas. Ka-

giatan nu ditaratas ku Prof. Setiawan Sa-bana téh dilaksanakeun tanggal 1-14Nopémber 2013 di Museum Sri BadugaJl. BKR No.185 Bandung. Pami -lonna 24 urang perupa ti Bandung,Batawi, Yogyakarta, Bali, KualaLumpur (Malaya), Seoul (KoréaKidul) jeung Sydney (Ustrali),ném bongkeun kaparigelananangaguar téma jeung médium kere-tas dina perspéktif, kréativitas,jeung imajinasina séwang-séwa -ngan. Tanggal 6 Nopémberna di-laksanakeun Seminar “PerspektifKertas: Media, Seni, dan Lingkun-gan Hidup” kagiatanana di AulaMuseum Sri Baduga kalayan dije-jeran ku Dr.Teddy Permadi (Dalu-ang-Pra Kertas Sundawi), Dr.Amin G. Langi (Media Baru danKertas), jeung Dr.Rikrik A. Kus-mara, M.Sn (Kertas dan MediumDalam Seni Rupa), sarta Key NoteSpeaker Prof. Setiawan Sabana.Diteruskeun ku “Artist Talk” dinasési kadua nu dijejeran ku Drs.Haryadi Suadi, Sujana Suklu,M.Sn jeung Ismet Zainal Effendi,M.Sn. Dina tanggal 9 NopémbernaWorkshop Zaini Alif (komunitasHong) “Mainan Tradisional dariMaterial Ketas”. Paméran dibukaku Prof. Endang Caturwati, RéktorSTSI Bandung nu kakara diistrénan jadiDirektur Pembinaan Kesenian dan Per-filman Kemendikbud RI. Nu rawuhharita kapasitas korsina ngan 199, tacannu daratang sabadana pembukaan, dameureun panasaran hayang nyaksian ka-jadian nu jarang, aya paméran gedé numédiana maké keretas.

Cek Prof, Setiawan Sabana nu ogékapeto jadi kurator paméran, sipat kere-tas mémang kawas nu sapélé, aya dima-mana jeung murah hargana, pabalataknyampak dina sela-sela kahirupan timimiti tempat ibadah nu suci, kantor,sakola/kampus, toko, warung, dapur,nepi ka WC. Keretas gé pabalatak dinawadah runtah. Dina rupa-rupa wangunjeung fungsina keretas ngangkat ajén

jeung martabat: spiritual, ékonomi,hukum, budaya, seni, atikan, bungkus,nepi ka runtah/limbah nu jadi masalah.

“Kanggo abdi, keretas ngandung ajénnu luhur. Abdi ngoprék keretas ti taun84, sadidinten minangka akademisi

(dosén FSRD ITB-réd) abdi ngagugulungkeretas, buku nu jadi cukang lantaran in-spirasi abdi kana kasenian. Tina bukuatanapi keretas urang kenging rupi-rupimangpaat. Nu mawi kitu, abdi berkese -nian nganggo médium marginal nu man-grupi keretas nu regas. Seni nu sesahpajengna, teu diambeuan ku koléktor,sanés nganggo kanvas nu ajén matérinabéngras. Tapi udagan abdi sanés matéri,eétu seni keur ngabeungharan haté,nganapkahan batin. Idéalna nu nyam-bungkeun abdi jeung Nu Maha Kawasa.Upami ngudag artos mah tos wé icalancombro, puguh sugan,” pokna.

Pa Wawan (nénéhna Setiawan Sabana)mémang geus lila ngolah keretas, ti mim-iti keretas daur ulang minangka médium

utama keur nepikeun saniskara implik-implik kasenianana, kasenianana soran-gan, nepi ka hal spiritual, jadi dimensimatéri jeung non matéri. Paméran ieu gémangrupa lajuninglaku tina paméranWawan saacanna. Di antarana baé “Jagat

Kertas” di Bentara BudayaJakarta taun 2011, “The Cosmosof Paper” di Museum of AsianArt-Universitas Malaya KualaLumpur Malaysia tanggal 21Pébruari 2013. Saméméhna ogéPa wawan ngayakeun pamérandi Sri Baduga ieu. Prof.Wawangé geus ngajak para senimanpaméran di Museum TekstilJakarta “Menjalin Serat Men-guntai Makna” tanggal 5-14 Sép-témber 2013. Nya dua bulan tiharita “The Bandung Paper ArtShow” digelar. Maksud pameranieu, ceuk Wawan, taya liannyambuangkeun deui ngaranBandung nu geus lila teu ngaya -keun éven has kasenian nuahéng. Harepanana, jadi mata-holang/cikal bakal peristiwakasenian nasional/internasional-na mangsa hareup nu pamilonna50% ti urang jeung 50% senimanmancanagara. Rupa-rupa karyanu dipamérkeun ti mimiti karyabudak kiwari nu ideu-ideunalalucu, camperenik nepi ka nu

rada nganteng ka luhur modélkarya Setiawan Sabana “Bumi

Kertas”, nu mangrupa Lisung, Korang,Bubu, nu ditapelan ku sesebitan keretas.Aya ogé kertas daluang nu téksturnaalami. Karya Wawan mémang ajeg ti ba-heula mintonkeun keretas nu pakaitjeung alam. Sabab keretas asalna tinaalam-serat/ramat tutuwuhan, alam nuditempatan ku urang, urang hirup jeungdibéré ku alam.

“Karya abdi ngingetan pasualanlingkungan hirup, yén kertas nu munculjadi rupa-rupa pénoména téh jasa alam,jasa bumi, jasa jagat raya, urang napaku-ran alam. Numawi karya abdi “Bumi Ker-tas”. Abdi gé teu seueur ngoprék karya,kitu wé alami, saujratna. Aya kai, dalu-ang, sareng .kaendahan téksturna,” pokadeui. ***Asép GP.

Paméran Karya Seni Tina Bahan Keretas

Bumi Kertas ngajak napakuran alam jeung Nu Murbeng Alam(Asép GP)

Page 41: Mangle 2451

40 Manglé 2451

WewengkonpakidulanBandung,

pang pa ng na di daé -rah Panga lénganjeung sabudeur eun -ana, kawéntar mi-nangka salasahijitempat wisata anuéndah pamanda -ngan ana. Lain tikitu, di éta weweng -kon ogé kawéntar kuproduk peternakanjeung tatanén anuhas. Dina hal peter-nakan mah geusmashur ka mana-mana sapi peres tiPangaléngan, anuproduksi susuna dio-lah ku KPBS (Kope -rasi Peternakan BandungSelatan). Dina hal tatanén,Pangaléngan dipi kawanohminangka salah sahiji sén-tra panghasil sayuran, kopi,jeung entéh.

Sapanjang Jalan di Pa -ngaléngan katémbong am-paran kebon entéh nu héjongémploh. Di antaranaper kebunan entéh Malabarnu dibangun taun 1890,dina pagunungan anu lu -hurna 1550 m salu hureunbeungeut laut. Lokasina 45km di pakidulan Bandungkalawan hawa nu sedeng,nyaéta 16 sampai 26 oC.

Entéh ti perkebunanMalabar geus kamashur dimancanagara. Salian tipabrik entéh, di éta tempataya titi ngal sajarah man-grupa makam nu ngadeg -keun perkebunan entéhMala bar, nyaéta K.A.RBoscha. Ogé aya Wisma

Malabar nu di-adegkeun taun1894, nu mimitinamah mangrupakantor jeung pa -du mukan KARBoscha. Sedeng -keun perumahanpara pagawé per -kebunan mah

D i a d e g k e u nmaké gaya has ar-sitektur Sunda, numunggaran diba -ngun taun 1890.

Pabrik entéh pi -keun ngolah hasilperkebunan di-adegkeun taun1905, sarta kiwari

dika wéntar minang -ka pabrik entéh

Malabar anu terus mroduksientéh dataran luhur anu kual-itasna hadé sarta kakoncara dimancanagara. Pabrik anu ki-wari aya téh mangrupa gagantidari pabrik munggaran anuancur dina Perang Dunia II.

Di perkebunan entéh Mala -bar ogé aya Wisma Melati nudiadegkeun 1908. Mimitinamah mangrupa padumukandeputi manajer munggaranMalabar, kiwari dijadikeunpanginepan pikeun wisa-tawan.

Perkebunan entéh Malabardiriung ku obyé wisata anuéndah pamandanganana.

Di antarana aya Situ Cile-unca, pamandian cai panas Ci-bolang, jeung situ Cisanti anuaya di suku Gunung Wayang,nu mangrupa sirah cai walu -ngan Citarum.***

dédé

Perkebunan Entéh MalabarTapak Lacak Boscha nu Ngamancanagara

Perkebunan entéh Malabar nu ngamancanagara (nét)

Makam Boscha, titinggal sajarah nu jadi tempat wisata (nét)

Page 42: Mangle 2451

Manglé 2451 41

Page 43: Mangle 2451

42 Manglé 2451

Pacabakan anu bakuna nyaéta tani,sakumaha umumna urang pilemburanharita. Ngandelkeun hirup tina tatanén,

bari angger henteu udar tina tatali parantikaruhunna. Pangpangna mah anu patali jeungkadaharan pokona nyaéta paré. Dina waktunadibuat, upamana, Pa Rusdi ogé maké kana étaadat-cahara téh. Ngakutna maké rengkong,paré ibu dijampanaan, dituturkeun ku nunabeuh angklung buncis. Kitu deui dina waktungelepna ka leuit. Sakitu tartibna.

Hasil tatanén lianna saperti bungbuahan,dijual ka nu dianggap leuwih gedé nguntung -keunana. Di lemburna ogé geus aya ari pasarmah, sanajan ngan dua kali saminggu. Tapi PaRusdi milih ngajual bungbuahan hasiltatanénna ka kontrak entéh anu mémang aya disabudeureun lemburna. Ngirim barang ayeuna,tagiheun engké, bari nagihan anu kamari. Halanu geus lumrah di kontrak mah. Anu matakcenah pagawé kontrak mah, ana gajihan téh,nampanan duitna ngan saukur ngaliwatwungkul.

Kumaha ari hasil pepelakan séjénna sapertisampeu jeung suuk? Nu kitu mah, tadina nganpikeun dahareun, tamba nguyang ari hayang.Ngan sabada datang Murdiam, adina Pa Rusdianu mindeng ulin ka dayeuh, kakara kabukaniléy ékonomisna sampeu jeung suuk téh.

Anu disebut dayeuh téh, nyaéta DayeuhBandung. Umumna urang pilemburan harita,utamana anu aya di sabudeureun Bandung,upama nyebutkeun dayeuh téh, geus pasti anudimaksudna Dayeuh Bandung. Éta baé lamundi péron meuli karcis karéta api, asal nyebut -keun dayeuh, geus pasti bakal dibéré karcistuju an Statsion Bandung.

Murdiam cacarita ka Pa Rusdi, yén sampeu

jeung suuk téh di dayeuh mah keur meujeuhnapayu. Sampeu diolah deui dijieun aci, dijualnateu di dayeuh wungkul, tapi ogé dijual ka luarnagri, lamun ayeuna mah diékspor. Ari suukdikampa diala minyakna. Malah cenah di Ci -ateul mah diolah dijadikeun oncom. Sampeujeung suuk keur kacida dipikabutuhna didayeuh. Murdiam ogé pangna datang ka lemburPa Rusdi téh, di antarana rék sakalian balantiksampeu jeung suuk. Kabeneran di Pa Rusdinyampak barangna. Murdiam sanggupmangjualkeunanana mah, “…asal puguh ka-hasilanana ka abdi baé, Akang tampi beresihnampi laladangan,” ceuk Murdiam. Pa Rusdisapuk.

Mémang harita téh sampeu keur meu-jeuhna payu tur tarik hargana. Anu matak Bu-pati Bandung harita, Dalem R.A.AMartanagara, nganjurkeun ka rahayat Bandungpikeun marelak sampeu. Hasilna kaitung luarbiasa. Dumasar kana paménta Asistén ResidénVan Zuylen, Kangjeng Dalem ngitung lobana acianu dikirim maké karéta api ka Batavia ti saka -béh statsiun jeung halteu anu aya di KabupaténBandung. Laporan ti Kapala Statsion Nagrég,Cicaléngka, Rancaékék, Gedébagé, Bandung,jeung Cipatat kanyahoan rata-rata unggaltaunna 310.000 tanggungan aci anu dikirim kaEropah, padahal saméméhna mah ngan rata-rata 200 tanggungan baé.

Sacara teu langsung, pangarang ngaliwatanMurdiam, milu ngarojong program pamarén-tah dina hal ngaronjatkeun produksi sampeu diKabupatén Bandung.

Éfék dominona mah apan karasa nepi kaayeuna tina kawijakan Kangjeng Dalem R.A.A.Martanagara téh. Bandung jadi séntra produksipeuyeum sampeu. Peuyeum bandung anu ka-

mashur, anu jadi bahan kadaharan has Ban-dung séjénna nyaéta colénak. Kitu deui jeungsuuk, sanajan henteu kacatur ngalaman “boo -ming” saperti sampeu, tapi nya ti harita mimitikasohorna oncom bandung téh. Bahan bakuna,nyaéta suuk, beunang nguyang ti sabudeureunBandung baé. Henteu kabéjakeun kakuranganbahan baku, komo nepi ka kudu ngadatangkeun(ngimpor) ti nagara deungeun mah.

Salian ti tani, dagang deuih pacabakanurang lembur téh. Ngawarung, jual-beuli hasiltatanén, jeung sajabana. Aya anu ngider ogé,saperti urang Banggala, anu dagang parabotpleus minyak seungit. Bangsa Cina wéh anu sokngider ka pilemburan téh. Salila bulan puasamah, husus ngajualan pepetasan ngiderna téh.Salian ti éta mah henteu kacaturkeun. Henteukacaturkeun, lain hartina euweuh tangtuna ogé.

Kumaha ari kaayaan Dayeuh Ban-dung harita?

Basa Ramlan pakansi balik ka lemburna.Ngagorah nyaritakeun kumaha kaayaan didayeuh. Ti mimiti karaméanana, pasarna, jeungtoko-tokona. Mémang harita di Bandung, uta-mana di sabudeureun alun-alun, geus loba toko.“Wetaneun alun-alun ngajalegir toko-toko Wa-landa sagaledé pasir,” cenah. Henteu salahcarita Ramlan téh. Ari anu pangkasohorna tokoDe Vries. Anu bogana M. Kraas de Vries.Mimiti na mah perenahna di kaléreun alun-alun, tuluy dipindahkeun ka kuloneun HotélHomann, di totogan Jalan Braga, paeunteung-eunteung jeung Gedong Merdéka.

Aya deui anu matak hélok téh cenah, nyaétalampu listrik. Teu kudu diminyakan, teu kududiseungeut, tapi caangna leuwih-leuwih ti lan-téra. Tinggarantung di saparat jalan. Mémangharita di Dayeuh Bandung geus aya listrik, anudikokolakeun ku Bandungte ElectricitiesMastschappij (BEM). Taun 1906 BEM nyieunPLTA di Dago Pakar ngamangpaatkeun Walu -ngan Cikapundung. Nepi ka kiwari éta PLTAtéh masih kénéh aya, sarta boh wangunananaboh pakakasna henteu dirobah ti nu baheula.Malah teu meunang dirobah, lantaran geus di-anggap cagar budaya. Perenahna di DagoBéngkok. Disebut-sebut PLTA munggaran anuaya di nagara urang. Mimitina mah listrikna di-ajangkeun pikeun nyaangan kantor-kantor pa-maréntah jeung imah-imah urang Walanda.Saterusna dipaké ogé pikeun nyaangan jalan-jalan gedé. Mun ayeuna mah meureun PJU(penerangan jalan umum). Taun 1920-an, uru-san listrik di Bandung dikokolakeun kuGemeenschappelijk Electrisch Bedrif Bandoengen Omstreken (Gebeo), anu saterusna nyieunkantor di sisi Walungan Cikapundung, taun1930-an.

Budi Rahayu Tamsyah

Ngalanglang­Alam­Rusdi­jeung­Misnem­­(4)

Page 44: Mangle 2451

Manglé 2451 43

Hartina, can aya Gedong Gebeo waktuRamlan jeung Rusdi mimiti ka Bandung mah,kakara aya listrikna baé, anu masih kénéh di -urus ku BEM. Anu matak Gedong Gebeo mah,teu disabit-sabit ku Ramlan ogé, padahalperenah na henteu jauh ti panganjrekanana diBanceuy.

Anu dicaritakeun ku Ramlan téhkaraméanana di pasar deuih. Tangtuna ogéPasar Baru. Disebut Pasar Baru sotéh harita,najan nelah nepi ka kiwari ogé, lantaran mang -rupa pasar anyar. Cohagna mah anyar di-adegkeun deui sabada pasar heubeul, Pasar

Ciguriang, kaduruk ku polahna Munada taun1845. Ngeunaan lalakon Munada ngadurukPasar Ciguriang, bisa dibaca dina WawacanCarios Munada karangan Mas Kartadinata.

Pasar Baru saenyana mah kakaradiresmikeun taun 1906, mareng jeungngadegna Gemeente Bandung (PamaréntahKota Bandung), sabada puluhan taun Bandungteu boga pasar anu répresentatif. Pasar Barujadi pasar utama di Bandung, malah jadi puseurperékonomian Bandung, lantaran katunjang kupadeukeutna jeung Statsion Bandung. Gampilaksésna.

Enya baé, basa Rusdi jeung Misnem mimitinincak Bandung, kacida hookeunana ningalikaraméan di hareupeun statsion, “jalma ratus-ratus pabaliut, kahar jeung karéta ngabérés,lampu balelenong caraang”. Pasosoré datangnaka Bandung téh, anu matak lampu-lampu jalangeus harurung.

Tempat anu mimiti didatangan ku Rusdidi Bandung téh nyaéta sumur bor. Éta sumurbor téh perenahna di juru alun-alun, hareu -peun Kantor Pos ayeuna. Harita mah can ayawangunan Kantor Pos téh, sabab kakaradiadegkeun ana ogé taun 1928 - 1931. Étasumur bor téh dijieun ku Gemeente Bandungpikeun kapentingan masarakat umum. Lain didinya baé deuih, nyieunan sumur borna téh.Di antara na baé di Cicéndo jeung Ciroyom.Mayar sasén, sing saha baé ogé bisa ngunjalancai beresih pikeun kaperluan sapopoéna,saperti ngi num, masak, mandi, jeung sajaba -na. Di dinya ogé aya tempat pamandianumum. Tah, di dinya Ramlan ngajak mandi kaRusdi téh.

Saenyana mah lain cai beresih baé anu di-urus ku Pamaréntah Kota Bandung harita téh.

Kaasup jeung kokotorna deuih. Kokotorpamiceu nan jelema ti sawatara tempat, dis-alurkeun maké pipah galedé ka hiji tempat diwewengkon Tegallega. Di dinya diadegkeunpabrik, anu ku urang dinya mah disebut pabrikmést (mest = gemuk), pabrik gemuk. Munayeu na mah meureun pabrik kompos. Arigemuk hasilna dikirimkeun ka Lémbang, Ci -sarua, Ciwidéy jeung Pangaléngan, anu mang -rupa daérah pertanian. Éta pabrik kompos téhdijieun dumasar kana konsép Dr. Karl Imhoff,ahli limbah ti Jérman, anu matak téngki tempatngumpulkeun kokotor jelemana disebut

Imhofftank. Mimiti dijieun taun 1911. Hal anuhenteu dicaritakeun dina buku Rusdi jeungMisnem mah.

Dina hiji poé, Rusdi sakulawarga ngabringka Cikudapateuh. Kawasna mah Rusdi jeungMisnem téh panasaraneun hayang nyaho eng-gon tentara anu kungsi ngaliwat ka lemburnatéa. Katambah deuih, apél tentara Walandaharita, sok jadi tongtonan lantaran cenah sokaya kamonésanana.

Ti Banceuy laleumpang ngabringngaliwa tan Sasak Cikapundung. Terus lem-peng, ngaliwatan “masjid paranti urang Wa-landa”, notog ka wangunan alagréng, anu ayaaksaraan “Kweekschool”. Éta téh sakola gurupikeun pribumi, anu lengkepna dina basa Wa-landa mah Kweekschool voor InlandscheOnder wijzern, dibuka jeung diresmikeun taun1866. Sok disebut Sakola Raja. Kiwariwangunan ana jadi Kantor Polda Jabar. Ari digigireunana aya wangu nan anu teu éléhagréngna, nyaéta sakola paranti prakték nga-jar murid-murid Sakola Raja, anu kiwari jadiSDN Banjarsari.

Ti dinya mah terus baé ngétan, ngajugjugka tangsi tentara di Cikudapateuh. Tangsi mili -tér di Cikudapateuh diwangun mareng jeungtangsi militér di Cimahi, sakumaha anu kaunidina catetan R.A.A. Martanagara, “Salila kuringjadi Bupati, daérah jeung Kota Bandung tumu -wuh gancang pisan. Sajumlah gedong-gedongdiwangun. Tangsi-tangsi militér diadegkeun diCimahi jeung di Cikudapateuh.” Anjeunna jadiBupati Bandung antara taun 1893 nepi ka taun1918. Anjeunna ngadadasaran pangwangunanKota Bandung, anu karasa leuwih gancangtumuwuh na sabada anjeunna marén. Ti taun1920-an ka dieu, beuki dug-deg baé wangunan

anu tarohaga téh. Di antarana bae Gedong Saté,Gedong Gebeo, Gedong Merdéka, Kantor PosBandung, Museum Géologi, Gedong Papak,jeung Gedong Sirap. Kaasup Gedong Sabaujeung Gedong Jaarbeurs, anu kiwari dipaké kuKodam III Siliwangi, salian ti Tangsi Militer diCikudapateuh téh.

Sanggeus lalajo tentara apél sarta nempoannu aranéh nu aya di gedong-gedong di Cikuda-pateuh, Rusdi sakulawarga baralik deui kaBanceuy.

Banceuy harita geus jadi lembur anukaitung ramé. Perenahna di tukangeun loji.Sacara harpiah, “banceuy” téh ngandung hartipakampungan anu ngahiji jeung istal. Tempatreureuhna kuda-kuda, utamana anu geuslumampah jauh narik karéta pos. Dinakamekaranana, lain tukang ngurus kuda baéanu maratuh di dinya téh, kawantu tempatnakaitung strategis. Aya di tengah-tengah antaraalun-alun jeung Pasar Baru, antara pusat pa-maréntahan jeung pusat perékonomian.

Ké, ari di Banceuy harita geus aya panjara?Enggeus atuh. Panjara Banceuy diadegkeun kuPamaréntah Walanda taun 1877. Diajangkeunpikeun tahanan politik jeung kriminal. Tapiayeuna mah geus dibongkar sarta dipindah -keun ka Jalan Soekarno-Hatta taun 1983,urutna dipaké komplék pertokoan. Anu nyésatéh kari sél urut ditahanna Présidén Soekarnobaé.

Soréna Rusdi diajak jalan-jalan ku Ramlanka alun-alun, bari sakalian lalajo anu méngbal.Mémang harita mah alun-alun Bandung téhmasih kénéh bisa dipaké méngbal, malah sokdipaké pertandingan lamun aya tim ti luardaérah anu marag ka Bandung. Salian ti alun-alun, aya sawatara lapang méngbal di Bandungharita téh, di antarana baé Lapang Tegallegajeung Lapang Cicéndo, Nepi ka aya sisindiran -ana:

Itikurih Béntang Sinar,maén di Lapang Cicéndo,Nyeri peurih ku nu anyar,meni asa dibobodo.

Itikurih jeung Béntang Sinar téh ngarankleub méngbal anggota bond Vootball Inland-sche Bandoeng (VIB), bond bangsa pribumianu jadi cikal bakal Persib.

Henteu sakabéh tempat anu dicaritakeunku Ramlan ka Rusdi basa pakansi di lembur -na, didatangan. Upamana baé Sakola Lolong.Nepi ka Rusdi mah salah harti, majarkeuntéh cenah, “Piraku aya sakola euweuhmataan.” Sakola anu husus keur nu teuningali. Éta sakola diadegkeun ana taun 1901,ku alpukahna Dr. Ch. A. Westhoff, dokter ahlimata urang Walanda. Dikokolakeun ku hijiyayasan, anu harita mah katelahna RumahButa. Perenahna di Jalan Pajaja ran, kiwarijadi Sakola Wyata Guna.

Kitu deui jeung Tegallega, tempat panga -duan kuda bulanan, Puncakna dina Mi-langkala Ratu Wilhelmina, tanggal 31Agustus. “Panga wulaan-pangawulaan soksarumping naringali, ti Garut, ti Sumedang, tiTasikmalaya. Nya kitu deui wadana-wadana,camat-camat, lurah-lurah sok marilu balap,mana-mana anu pangheulana diperesén,”cenah. Jaman harita mah pangawulaan nyebut -na ka bupati téh. (hanca)

Page 45: Mangle 2451

Detik-detik Proklamasi

Kamerdekaan IndonesiaKu RH Lily Sumantri Tina buku Bunga Rampai

Sajarah ngabuktikeun yéntanggal 17 Agustus 1945 kira-kira jam 10.00 meneran poé

Juma’ah legi tanggal 9 Ramadhan1364 Hijriyah , dirojong jeungdiamankeun ku tentara PETABung Karno jeung Bung Hattakalayan asmana bangsa Indonesiamaca teks proklamasikamerdekaan Indonesia, hidmat,tartib tur aman. Tadina mah halanu kacida pentingna ieu téh arékdilaksanakeun di lapang IKADA,ayeuna mah MONAS, tapi duma -sar kana kaayaan kaamananahirna dialihkeun ka bumi BungKarno di jalan pegangsaan Timur56 Jakarta. Hadir Ibu Fatmawatisukarno, Dr.Muwardi, Wilopo,Mr. A . Gafar Pringgodigdo, SKTrimurti, Sayuti Melik, jeung anuséjén – séjéna deui. Hadir ogéBarisan Pelopor jeung para pa-muda katut mahasiswa, jumlahnakurang leuwih 1000 urang. Nungelebetkeun bandéra merahputih, Shodanco A . LetiefHendra ningrat. Nu ngaput sangsaka merah putih Ibu Fatmawatidikaput ku panangan henteu kumesin. Lalaunan bandera naék.Ngelebet ditebak angin. Sabadatepi ka puncak tihang bandéra,breng anu hadir nyanyi lagukebang saan Indonesia. Sakur anuhadir kagagas waas, sedih campurbagja poé éta babarengan narimakabebasan di nagara anu merdeka,kabéh ngucurkeun cipanon nampinugraha ti Gusti. Detik - detikproklamasi kamerdekaan Indo -nesia anu mangrupa sajarahpenting téh ku Jepang mah di -

larang dipencarkeun liwat radio.Tapi bisa dipencarkeun ku RadioBandung sababaraha kali, haritaRRI Bandung dipingpin ku SyaktiAlamsyah jeung Amir Syamsapara kanca berkah prakarsanaAdam Malik anu nelepun Kantorberita DOMEI di Jakarta jeungBandung, Adam ngadiktekeunteks proklamasi kamerdekaanIndo nesia sangkan bisa dipencar-keun ka sakuliah dunya.Siaranana katéwak ku RadioMakasar terus direlay ku radioHilversum nagri Walanda. Tepika saatungkebing dunya nyara-hoeun yén Indonesia geus bebasmerdeka. Pangabdian para pe-juang RRI Bandung téh kacidagedéna, geus sawadina dilélértanda pangajen anu luhur.Proklamasi kamerdekaan Indo -nesia lir pajar manceran mon-corong nyumiratkeun cahayana,cahaya kahirupan anyar di bumipersada Indonesia. Di sakuliahNusantara rayat indonesiangabagéakeun pajar kamerdékaanku sewu kabungah jeungkagumbiraan, kebek ku rasasukur ka Gusti Nu Murbeng alamanu geus ngalugsurkeun kabagja -an luar biasa. Nugraha Gusti di-tampi ku sewuning kagumbiraan,gumbira lahir batin. Tanggal 17Agustus 1945 dina sidang PPKInu munggaran geus ngahasilkeunputusan jeung ngesahkeunUndag-undang Dasar NagaraRepub lik Indonesia taun 1945,milih Ir.Sukarno jadi presidenRI jeung Moh. Hatta wakilPresiden na. Tanggal 17 Agustus

1945 Presiden jeung Wakil Presi -den rempug gawé jeung anggotaPPKI geus ngabentuk KOMITENASIONAL INDONESIA PUSAT(KNIP) anu fungsina Dewan per-wakilan rakyat.

Tanggal 17 Agustus 1945 Presi -den jeung Wakil Presiden ngaben-tuk kabinet Presidentill nudisaluyukeun jeung UUD 1945.Kabinet munggaran téh diwangunku 12 Departemen. PembagianPemerinta han Daérah dibagi jadi8 propinsi, masing-masing di -pingpin ku Guperur.

Bandung Siap

Kota Bandung mangsa haritadilimpudan ku suasana perjua -ngan dina raraga ngarebut jeungnanjeurkeun kamerdekaan in-donesia. Pamaréntah kota Ban-dung jalan terus dipingpin kutokoh bandung Sicho R. AtingAtma dinata walikotana, Basunisekrtarisna.

Harita bulan suci RamadhanDimana-mana unggal peutingbada Magrib buka puasa. Parapamuda dimana-mana ngagorom-bol gumbira nyararitakeungelarna proklamasi kamerdekaanIndonesia

Jeung sagala konsekuensinajeung masalah tentra Jepang nukudu disanghareupnana. Kabéhdina kaayaan siap siaga jeungsumanget nganti ajakan atawainstruksi ti para pingpinanatawa ti pamaréntah pikeun gan-cang metakeun sagala rupana nujadi konseksekuensi tina

44 Manglé 2451

Page 46: Mangle 2451

kamerdekaan.Tanggal 22 Agustus 1945 aya

Dekrit Presiden RI ngeunaanngadegna Badan KeamananRakyat (BKR), di Bandungdilaksana keun 28 Agustus 1945.Keur tingkat karésidenan Pria -ngan dipingpin ku opsir-opsirPETA. Aruji Kartawinata jeungSutalaksana Keur kabupaténjeung kota Bandung dipingpinku Sukanda Bratamanggalaatawa Pa Kendo jeung Suhari.

Para pamuda ngabageakeunkebek ku sumanget, gedé hatéboga bekel hasil pelatihan jamanpenjajahan jepang. Terus ngaleutngabandaleut ka jalan Pasirkaliki41 jeung ka pendopo KabupatenBandung di jalan alun-alun,ngadaptarkeun jadi anggotaBKR, masing-masing pada mawasenjata naon baé dapon bisadisebut senjata keur pakarangperang. Kayaning gobang, tum-bak, keris, bambu runcing jeungsajabana. Nu dalaptar awewe-lalaki.

Detik-detik proklamasikamerdekaan geus wasa mérétanaga, ngagedurkeun sumangetjeung jiwa juang ka para pa-muda Indonesia Semboyanna ‘merdeka atau mati’

Tanggal 29 Agustus 1945 diBandung ngadeg Komite Nasionalindonesia (KNI) daérah diping-pin ku Syamsurizal jeung R. Jer-man Prawirawinata dibantu paratokoh saperti R. Sutoko, A.Zachri,

Jeung Dr. Sopandi. KNIdaérah tugasna ngagendéngpamarén tah kota Bandung.

Tanggal 2 September 1945KNI Daérah kota Bandungngayakeun rapat umum nu mung-garan, Hadir sajumlah wargakota Bandung, kaasup para pa-muda, pelajar jeung mahasiswa,pagawé jeung wakil-wakil golo -ngan ti Unsur-unsur pejuangbersenjata Kumpulna di alun-alun Bandung. Rapat Umumgeus ngaluarkeun MOSI, mang -rupa ikrar rayat Bandung anuunina kieu;

1) Ngabéwarakeun ka dunya yén

bangsa Indonesia geusmerdeka.

2) Ngoméan jangji yén tetepnangtung ajeg tur rapetsatukangeun Presiden RI.

3) Mertahankeun kamerdekaanRI keur salawasna.

4) Ngirimkeun MOSI ieu kaKOMITE NASIONAL Indo -nesia pusat

Ngadegna badan-badanperjuangan Di Kota Bandung.

Lian ti aya BKR jeung KNIDaerah, para pamuda ngarasakagupay jeung saterusnasumangetna anu ngagedur jeungkajurung ku rasa tanggung jawabanu gedé. Masing-masingmetakeun kamampuh ngahimpundiri ngadegkeun badan-badanperjuangan saperti ;

1) PRI (Pemuda Republik indo -nesia, organisasi pelajar jeungmahasiswa.Pingpinanana ; Sujono,Mashudi, S.L.Tobing, Supraptojeung nu séjén-séjéna.Markasna di gedong urut tokoCYODA, ayeuna mah di jalanAsia Afrika. Bandung

2) PESINDO (Pemuda SosialisIndo nesia).Pingpinanana ; Sudarmansaparakanca.Markasna di Kautamaan istri.Bandung

3) API (Angkatan pmuda Indo -nesia.Pingpinanana Wasito, Astra -winata, Maulana saparakanca.Markasna di jln. LengkongBesar 74 Bandung.

4) BPRI (Barisan PemberontakRakyat indonesia)Pingpinanana; Rivai, DuyehSuharsa, Suryadi saparakanca.Markasna di jln. Kejaksaanbandung.

5) BBRI ( Barisan Banteng

Repub lik Indonesia)Pingpinanana : RachmatSulae man, Anwar SutanPamun cak, Ido Gamidasaparakanca.Markasna ; sabudeureunkomplek Banceuy. Bandung.

6) KRIS ( Kebaktian Rakyat Indo -nesia)Pingpinanana : Kodongan,Mantik, Rorimpandey, Karun-deng saparakanca.Markasna di Jln. PapandayanBandung.

7) PIM (Pemuda IndonesiaMaluku0Pingpinanana : Pelaupessy,Andreas, G Latumahina.Markasna di: Regensweg.

8) PI ( Pasukan Istimewa.)Pingpinanana ; pakpahan,Sitorus, Pane saparakanca.Markasna di ; VerlengdeRegens weg, Jln. Kebon Kalapa

9) LASYWI (Lasykar WanitaIndo nesia)Pingpinanana : Ibu ArujiKartawinata, Ibu JuhaeniMaskun, ibu Nani Ramani,Ibu Teja SetyasihsaparakancaMarkasna di ; Gedong mardio-harjo jalan PangeranSumedang Oto Iskandar diNata.

10) HIZBULLAH.Pingpinanana : Kamran,

Husyinshah , Utarya, kadatSolihat, gafar Ismail, Syah-bandaf . Saparakanca..Markasna di ; Cijawura nam-dung

11) SABILILLAHPingpinanana ; Insya Ansha -tari, H.Jaelani, Kiyai HajiYusuf Tauziri, Ismail Napu,Ajengan toha, saparakancaMarkasna di ; cigereleng Ban-dung.

**HRS/Hanca***

Manglé 2451 45

Page 47: Mangle 2451

46 Manglé 2451

Jabatan dilélang? Enya, apan

ayeuna mah nu ‘diobral’ téh, lain

ukur barang jeung jasa, tapi deuih

kalungguhan. Ngan, naon unggulna

nangtukeun jabatan ku cara kitu

téh?

***

Ilaharana kampus, teu weléhhaneu teun. Tapi, GedongMagis ter Manajemen Universi-

tas Padjadjaran (Unpad), Bandungpoé éta, 9 Séptember 2013, mahbéda ti biasa. Nu jul-jol ka dinya téhlain nu ngadon tolab élmu wungkul,tapi nu miluan tés keur pipajaba-teun di kota Bandung.

Ceuk Walikota Bandung, RidwanKamil, nu daptar milu kana lélangjabatan téh aya 69 urang. Nu lulusseleksi administrasi 60 urang, tapinu miluan tés di Unpad harita mah,59 urang, lantaran nu saurang deuimah teu hadir.

Tes téh sababaraha rupa. Diantara na bakal aya tés wawancarajeung walikota. Tes kawas kitu, ceukWalikota, geusan nyocogkeun ka-

mampuhan calon jeung kabutuhanjabatan. Tina wawancara, ceuk KangEmil (kitu katelahna ieu walikotatéh), bakal kanyahoan kamampuhanmasing-masing calon pajabat.

Keur pajabat eselon II B aya 34korsi nu bisa ditempatan ngaliwatanlelang jabatan. Ngan, nu di-heulakeun mah keur ngeusian jaba -tan nu kosong heula saperti DinasPendidikan, Dinas Pertanian, stapahli, jeung asisten pamarentahan.

Pamilon tes nu 59 urang téa, mehkabéh gé pajabat atawa PNS tilingkungan kota Bandung. Ngan, ayaduaan ti luar kota Bandung jeung ti

paguron luhur saurang. Intina, ceukwalikota, nempatkeun pajabat kucara kitu téh sangkan jabatanditempa tan ku jalma nupangmerenah na.

Lain Ukur GagayaanLelang Jabatan, kadieunakeun

mah remen jadi kacapangan. Kitutéh, di antaran satutas Joko Widodo(Jokowi), Gubernur DKI, ngayakeunlelang jabatan. Carana, sajumlahjaba tan diparebutkeun kalayanngaliwatan tes. Saperti nu kabandu -ngan sawatara waktu ka tukang,apan jabatan lurah jeung camat gé,

ngaliwatan lelang di Batawi mah.Cara jeung gaya Jokowi mémang

loba nu nurutan. Ngan, ceuk Dr. H.Deden Suhendar, M.Si., DoktorAdminis trasi Publik UniversitasPadjadjaran, palias ukur tuturutmunding. “Komo ukur gagayaanmah dipahing pisan,” pokna basadikolongan pamanggihna sual lélangjabatan di kota Bandung.

Mémang, ceuk ieu Kepala PusatStudi Islam Ibnu Khaldun Jakartatéh, remen kasaksén, naékna jabatanhiji instansi, gumantung pisan kana‘kanyaah’ pingpinanana. Maksud H.Deden mah, bisa baé lantaran

Lelang Jabatan

Ulah Ukur Gagayaan

Ridwan Kamil, Walikota Bandung

Page 48: Mangle 2451

47

deukeut jeung deuheus atawa lan-taran ‘kapaké’ ku dunungan, lainlantaran pagawéanana anu hadé, siéta jalma bisa nérékél jabatanana.Dina kaayaan kitu, teu mustahil ayanu hadé gawéna tapi teu kapaké, lan-taran ‘daék magak’ kahayang dunu -ngan. Cara-cara nangtukeun jabatankawas kitu teu kaasup hadé, lantaranbakal ngurangan kana ajén palayanmasarakat. “Mémang, leres pagawétéh kedah loyal ka atasan, tapi nupangpentingna mah, kamampuhan -ana ngalaksanakeun pancén gawésarta nyugemakeun masarakat,”ceuk ieu Anggota Dewan Pakar ICMIMuda Jawa Barat téh.

H. Deden nétélakeun, nangtu -keun pajabat di lingkungan kota, hakprerogatif walikota. Ngan, cenah,éta cara téh kudu jinek, demi keurkapentingan palayanan ka masa -rakat. Ku lantaran kitu, nu di pilihtéh kudu dumasar kana ‘merit sys-tem’ sangkan nu kapilih téh luyujeung kekecapan ‘the right men on

the right place’ tea. Hartina, éta jaba -tan téh ditempatan ku jalma nupangmerenahna, atuh pagawéananagé dilaksanakeun ku ahlina!

Geusan ngahasilkeun pajabat numerenah dina tempatna, tangtucenah, gumantung kana cara jeungsaha nu milihna. Dina milihna ogékudu ‘obyektif’. Kudu bener-benernu kapilih téh nu pangmerenahna.Ulah lantaran deuheus atawa ayakapentingan nu nyamuni, saperti‘males budi’. “Nu jadi tim panileynagé kedah leres-leres ‘beresih’ sareng‘ bebas’ tina kapentingan séjén,”ceuk ieu Rektor Universitas Al-Ghi-fari Bandung téh.

Memang, cenah, aya kahari-wang, inggis ku bisi rempan kusugan. Apan ngarana gé tés, bisawaé aya pihak-pihak nu ‘ngamang-paatkeun’. Apan, ilaharna jabatan,éstu ‘kareueut’ lir madu. Atuh,keur meunang keun éta jabatan gébisa rupa-rupa cara, kaasupngadeukeutan pihak-pihak nu bisa

manga ruhan hasil tes téa. “Ku-margi kitu, publik atawamasarakat gé kedah ngiringnalinga keun,” ceuk ieu Konsul tanKebijakan Publik téh.

Maksud H. Deden, méméhdiputus keun saha-sahana nu kapilihkeur ngeusian hiji jabatan, leuwihhadé para pinunjulna diumumkeunheula ka balaréa. Bisa diembarkeundina rupa-rupa media. Intina, ‘diujipublik’ sangkan masarakat gé bisaméré ‘iber’ ngeunaan ketak, pari -polah, ogé ajén-inajén éta calon bohnu tumali jeung pribadina boh nutumali jeung jabatanana.

Cara-cara nangtukeun pajabat kudites, bisa jadi tarékah ningkatkeunajén. Di dinya, aya kompetisi anusehat. Lantaran, saha waé nu panga-hadéna, bisa leuwih maju. Sabalikna,nu kurang kamampuhan mah bisatinggaleun, kasilih ku nu leuwihpunjul.

Keur pagawé nagri ayana per-saingan kitu bisa jadi panyundutsumanget ningkatkeun ajén dirimasing-masing. Mislana, bisa jadijadi getol nungtut élmu, barogasumanget sarakola deui. “Ngan, nupenting mah, apan lain ukurngungu dag karir, tapi palayanan kamasarakat. Tah, kasugemaan raha -yat nu kudu jadi tujuan pajabatmah,” pokna semu ngingetan. ***(Ensa)

Manglé 2451

Pasualan kota nganti pajabat pinunjul

H. Deden

Suhendar,

Doktor AdministrasiPublik lulu sanUnpad Bandung

Page 49: Mangle 2451

48 Manglé 2451

Ceu Nonoy

Putra Ua BanagaraCarnyam Ku HD. Bastaman

Di salah sahijikamer nu dipakétempat rias barang

sup geus nyampak paramantu Ua jeung wargi-wargi landes caralik ngan-tosan didangdanan kujuru hias duaan. Kabéhdisaragaman jas takwawarna coklat, maké sam -ping batik sajeungkalluhureun tuur jeung makébendo. Minangka panya-rina maké hiasan rantéleutik warna emasdiganté lan kuku maungguntang-gantung dinasaku jas beulah kénca.Sanggeus réngsé didang-danan kuring kaluar tikamer hias. Basa ngaliwattengah imah kasampakgeus loba ibu-ibu jeungmojang-mojang nu lalarliwat meunang midangpageulis-geulissacabakna-sacabakna.Bari rada rurat-rérét, teuwani ari luak-lieuk mah,ngagerentes na haté,“Kira-kira mana nya nungaran Ningsih, kapi putuUa nu guru SKP téa?”.Pamohalan kapanggihlantaran can di-wawuhkeun jeung pang-pangna mah barieukeunku mojang-mojang nu

silih beubeut gareulismaranisna. MojangCiamis ieuh kawentar“gemas”: geulis, manis,soméah.

Sabot diuk ngadagoandeukeut panyawéran diburuan nu dihateupan kuténda katingal para tamugeus loba nu sarumping.Di sisi beulah katuhu ayasarombongan tamu istripameget ngarobrol ba -ngun sono bari silih gon-jak. Tamu nu calikgigireun ngawartosan yénéta téh tilas murid-muridUa Sasmita nu ngahajasarumping ngaluuhanguru na nikahkeun putrabungsu. Paingan atuhramé pisan, kawasnasakalian bari réuni. Basarombongan ema jeungdulur-dulur ngaliwatkaciri kabéh tingséréngéhningal kuring dibajutakwa maké bendo. Malah

Kang Badru mah makéeureun heula hareupeunkuring pokna, “Urangsakalian baé ngawinkeunsilaing, euy”. Atuh saréréamilu sareuri.

Teu lila kadéngé MCngémbarkeun panganténpameget jeungrombongan ana geussumping. Der gamelan de-gung muni dina “GambirSawit” lagu paragi mapagtamu. Leugeudeut rom-bongan Ua Banagarajeung Ua istri saputramantu, para sepuh katutsadérék-sadérék nu landesmapag ka pakarangan.Kuring nyelendep ka béhhareup, panasaran hayangatra ningal siga kumahapicarogéeun Ceu Nonoytéh. Tina mobil nu kaduacalon pangantén pamegetjeung ibu ramana lalung-sur ditéma ku sadérék-sadérékna nu sami

ngiring, terus ngalatur an-jeun nyusun barisan. Atraayeuna mah ka nu matakpanasaran téh. Lalakisembada kasép pisan turkatawis intelékna nganggoraksukan panganténSunda warna hideungmeles sapuratina. Gan-dang naker. Tina surat on-dangan kabacajenenganana Dr. Rd.Mahéndra Suriaatmadja.Luyu pisan antara jene -ngan nu martabatan jeungtampilan nu sarwa jalualias mannelijk. Payusdeuih jeung pigarwaeun -ana nu geulisna méakkeunbatur.

Bada acara sérénsumérén réngsé, calonpangantén pameget nugeus dikangkalunganmanglé kembang malatidigondéng ku Ua Pamegetsareng Ua Istri diiring kubésan katut rombongan

4

Page 50: Mangle 2451

Manglé 2451 49

kulawaga angkat antarédiiring degung ngungkunglalebet ka rohangan upa -cara. Sanggeus saréréacaralik tumaninahsatempat na-satempatna,utamana panghulu jeungwakilna, Ua Sasmitasalaku wali, calon pangan-tén sakalih, saksi-saksi tidua pihakanana, teruspanghulu mingpin upa -cara pernikahan. Teu bédati biasa ari runtuyanacarana mah, ngan di-antarana aya kajadianunik.

Basa dihaturanan calikka tempat upacarapernikahan, katingal kusadaya pangantén istri numoronyoy geulisna téhkaluar nganggo korsi rodadidorong ku Téh Atihdigondéng Téh Tatingjeung Ceu Imas kéncakatuhu diiring ku paramojang jeung juru hias.Ningal kitu méh sadayanu haladir kakuping nariknapas panjang jeung teukatahan sami kaluarcisoca, malah istri-istrimah kakuping aya nunging hak. Nungagondéng kénca katuhujeung nu ngadorong korsiroda ogé katingalmeusmeus nyusut cisocaku saputangan. Sadayanasami ngiring bagja nu hésédikedalkeunana iwal kumerebeyna cisoca. Tapi nucalik dina korsi roda mahkatingalna éstu panggerteger teu kawas batur,malah imut kawas numilucu ningali nutingsalegruk. Duka arijero-jerona mah.

Sanggeus calonpangan tén istri dicalik -keun gédéngeun pi-carogéeun tur suasanageus tenang, BapaPanghulu, R.H. Muh. Gar-nadi Partaamijaya, wargilandes Ua Banagara, uluksalam jeung maparin

bubuka sakeudeung terussasauran kieu,

“Sateuacan akad nikahdikawitan urang saminyakséni calon panganténistri, Nyi Radén NonoySiti Nuraéni, mundut widiramana, Radén HajiMuhammad Sasmitaami-jaya, pikeun didahupkeunka picarogéeunana, Dok-ter Radén MahéndraSuria atmadja. ManggaEndén sasauran ka rama”.

Teu lila kakuping CeuNonoy sasauran tatagpisan, “Punten BapaPanghulu, neda widi abdihoyong nyarios téhpayuneun pun bapa, punbiang sareng lanceuk-lanceuk nu tilu”.

Panghulu rikatngawaler, “Mangga,Endén, mangga. PuntenIbu Sasmita linggihnangalih heula ka payungédéngeun raka. Sadérék-sadérékna mah ngaradegbaé pengkereun ibu-rama.

Nyandak korsi hiji deui,kasép, kanggo Ibu” saurBapa Panghulu ka panitianu nangtung teu jauh tidinya.

Sanggeus Ua Istri calikgédéngeun Ua Pameget,tilu putra istri rakapangan tén ngaradegpengkereun ibu ramana,Bapa Panghulu sasaurandeui ka calon panganténistri, “Mangga Endén, di-haturanan sasauranngedalkeun pamaksadan”.

Sadaya nu haladir jem-pling sami-sami palayngadangukeun panganténsasauran. Teu lila ka -kuping atra ku saréréasoanten Ceu Nonoy.

“Assalamu’alaikumwarohmatullahi wabarokatuh” tatag pisan.Sahéng ku nunga”alaikumsalam”an.Jep jempling deui. Teulila kakuping deuisoanten na.

”Apah, Emah…” reg

eureun ukur kadéngéinghak na. Leungit samasakali nu awalna tatag téhsanggeus nyebut ibu-ramamah. Kakuping CeuNonoy neraskeunsasaurn ana bari areut’at,

“Emah… Apah… Téh…Tating…. Ceu… Imas…Téh Atih …. Nonoynyungkeun… dihapun-ten… ti leuleutik…. dugi kaayeuna…. mung nyesah -keun… sadaya… neda ri-dona…” bari nginghak.

Karék gé nepi ka dinyasaréréa bedah cimata,komo basa kakuping UaIstri ngocéak nangis, “Di-hampura, geulis, EmahApah rido pisan”, loba numilu nyegruk.

Saterusna…ah cukupsakitu nyaritakeunana, datangtu kacipta kumahatuluy na mah. Nu penting,Alhamdlillah, akadnikahna lumangsung lan-car, tartib tur karasa pisansuasana sakralna. (hanca)

Page 51: Mangle 2451

Ieu mah lain pangalaman ditorowongan Minna, tapi kaja-dian di lembur sorangan anu

tanggal bulan jeung taunna mahgeus poho deui. Ngan nu inget mahpoé Kemis harita téh.

Pasosoré harita téh di lem-bur gujrud yén tatangga kuringmaot ngadadak alatan nginum caikalapa (duwegan). Lain cai kalapaaya racunan, ieu mah geus kitu téawaé meureun éta jelema di-takdirkeun kudu maot ku jalankitu.

Tengah poé cenah manéhnahalab-hab, terus ngala kalapa,caina diinum ku manéhna jeungbudakna. Teu lila ti tas nginum caikalapa, ujug-ujug lenggerek waéteu éling kalawan pasosoréna terusmaot.

Ku lantaran geus burit teuingmayit téh teu dikubur harita, tapidiisukkeun. Nya atuh peutingnamalem Jumaah pada ngemitan kutatanggana kaasup kuring milungemitan.

Éta nu maot téh cicing diimahna kadua budak anu umurnakakara nincak kana 4 taunna.Indung na maot sataun ka tukang.Budak téh jadi apét ka bapana,malah saré ogé hayang dikeukeu-pan waé ku bapana.

Atuh peutingna kemit téh, sedih

ku dua ku tilu. Sedih ku indungbapa na nu maot, sedih ngadéngébudak midangdam bapa-bapaan.Dipangku tétéréjélan keukeuhhayang ngedeng deukeut bapana.

Antukan budak téh dikedeng -keun ngaréndéng jeung mayitbapa na. Sarta teu kungsi lila reupbaé saré tibra pisan.

Ngahaeub ka tengah peuting,nu kemit geus tinglalenggut tundu -heun. Malah geus aya duaan nukerek bari nyarande kana bilik.Nya kitu deui kuring rarasaan geusteu paruguh ku tunduh. Tung-tungna teu karasa deui meureunreup wae kuring oge sare. Ngankawasna nu kemit sare sarereaatawa teuing kumaha atuh mimiti -na mah, nu inget mah kuring barireuwas ngadenge anu ngagorowoknyebutkeun "mayit hirup deui” ki-tuna téh bari luncat lumpat murupanto.

Atuh kuring ge teu panjangmikir. Korejat gajleng ngaluncatannu masih ngedeng, lumpat nutur -keun batur ti heula, ngan kaburudihalangan ku kokolot lembur nuharita bareng kemit. Manehna nga-jegang deukeut panto bari pokngomong rada tarik: "Tenang-te -nang, ulah gugup!" cenah.

Ngadenge nu ngomong kitukuring ngarandeg, bari terus nga -reret ka mayit. Tapi eta mayit

katembongna gugurinjalan kawasnu hayang kaluar tina jero sampingrurubna.

Nempo kitu mah kuring teu kuatku sieun. Ret belesat wae lumpat,ngan sarung anu disolendang keunkaburu dikenyang ku kokolot tea.Bari pokna: "Tong lumpat, urangbuktikeun!"

Kuring kapaksa neger-negermaneh nyampeurkeun mayittukangeun kokolot. Terus lalaunankokolot mukakeun samping rurubmayit. Ku¬ring mah teu welehtaki-taki rek lumpat.

Naaa atuh barang dibukakeuntéh sampingna, ana gurinjal téhanakna anu tadi dikedengkeundeukeut mayit bapana tea hudangbari tuluy melong ka kokolot tea.

"Tah geuning barudak, matakulah sok gugup oge!" ceuk kokolottéh.

Singhoreng anu gugurinjalantéh anakna anu tadi ngedengdeukeut mayit, meureun tiriseunihayang dikeukeupan, tuluy asupkana jero samping rurub mayit.

Geus kitu mah nu aya di dinyabengong, nu geus lumpat kaluararasup deui, bari aya anuseuseurian kapiasem, tapi aya ogeanu marurung nyabakan tarangnaanu buncunur ngadagor tihangbasa keur lumpat.***

50 Manglé 2451

Mayit­Hirup­Deui?Ku Undrus Katea

Page 52: Mangle 2451

PasaranKumaha ilaharna di Pasantren ari

ngaji kitab teh sok resep bari ngadapang.Harita oge kitu bada Shalat Isa terus

ngaraji kitab deui, Uwa jeung babaturanngadarapang ngabandungan Mama Aje -ngan ngulas eta kitab, mun teu salah mahanu dibahas waktu harita masalah babzakat.

Teuing perbawa tunduh meureun,ngaji teh teu purun, teu asup kana otak,da eta we antara kadengen jeung henteucariosan Mama Ajengan teh kadangunales-lesan anu ahirna Uwa teh inget dinanaon, kapulesan sare.

Duka sabaraha jam tah Uwakasarean, ngan waktu Uwa lilir kacidareuwasna, luak-lieuk taya sasaha, komobarang ret ka hareupeun mah, eta Uwapanonna bolotot, biwir calangap, rekngomong hese kalah kababab-belebeb,rek ngajerit taya soraan. Teu rek kitukumaha atuh hareupeun pasaran dituru -ban samping poleng.

Bakating ku sieun deregdeg lulmpatmuru panto, dibuka hese, antuknadigedo ran bari tulung-tulungan, tapi tayaanu mangmukakeun. Ret nempo deuipasaran katingali endag-endaggan, atuhhate beuki tagiwur katambah bulu pun-duk ti tadi oge geus muringkak, tu... tu...tu... tuluuunnggg... jurig bakating ku soakbae teu inget dinanaon.

inget-inget geus aya diKobong/kamar pada ngarariung, lurahsantri Si Dali sanduk-sanduk menda di-hampura, ngahaja cenah disingsieun kitu,ngarah waktu ngaji teu nundutan.

Ti harita boro hayang ngaji deui, balikwe ka lembur, pindah ngaji ka kapi-lanceuk. nepi ka kiwari mun ningalipasaran teh sok ginggiapeun, padahlmah... engdi dina waktuna bakal digotongku saha deui.

Uwa Zu'i

Tinggaleun HapePangalaman sababaraha bulan ka

tukang, basa nohonan ondanganpanglawungan rutin di kantor Mangle.Jadwal mah sakumaha biasa tabuh sa-puluhan ngan kuring jangji deuk datangrebun-rebun sakumaha anu geusdismskeun ka rengrengan panglawu -ngan.

Jam tujuh geus sasadu ka indungbudak, leuwih lima welas menit geusnyemprung ngajajah jalan Gede Bage, sietnyorang bypass gilek ka jalan Buah Batu.

Ku lantaran asa isuk keneh, lalampahanngaberengbeng heula ka Jalan Moh.Toha, blus ka Astana Anyar, laha-lohokana barang loakan, malah sempet balan -ja heula, nya murah nya meriah lah.

Sebrut, gilek ka tukang lontong, na daaya ku merenah, ngalontong haneut-ha-neut, disampurnakeun ku udud sampoer -na, puah serebug-serebung ngusir reungitanu kabeurangan. Teu sadar, panon poegeus muncereng, teuing jam sabaraha.Capa-cipi kana pesak, hiji deuk ningalijam dina layar hp, dua deuk natanyakeunka para sobat panglawungan tilu welas,indit-encanna ti imahna masing-masing,katiluna deuk babayar we.

Creng lontong dikontanan, tapi capa-cipi teu deuk eureun, kamana ari hp?Murag atawa tinggaleun di imah?Dirigdig kana motor, cetrek biur wehbalik deui ka imah. Hiji meakkeun ka-panasaran, dua ceuk kitu ceuk kieu nugaranna hp jadi bubutuh primer, panceuk kowaid usul fiqih malayatimmulwujub illa bihi fahuwal wajib; Hal anungarojong kana kana bubutuh poko,ngilu wajib diayakeunana.

Purat-perot, nu ngaran rusuhtea,motor ge asa ngeyeted, kawas cakcakkurang parab sakitu kurang kumaha gasdipanteng katambah ruruba jalan ku-rang-kurangna matak ngelel. Sajamleuwih karak jebul ka buruan imah, in-dung budak jug mapagkeun bari ngagigi-wing hp.

“Kakantun hp nya? Manawi teh nga-haja teu dicandak?”

“Nyeta dasar limpeuran Abah teh,Ambu!” ceuk kuring bari nyengir. Sietnyamber hp, biribit indit deui, kari nga-jumlah we lila di jalanna mah pleus macetpleus setopan jeung pleus-pleus sejenna.Indit ditambah balik ditambah indit deuisami sareng ngayayay we. Blus teh kakantor Mangle,

“Mana nu bade rebun-rebun teh,Juragan?” Kang Ecep urang Ciparayngabageakeun bari ngahahah, gigireun -ana Cep Hikmat ngaheheh,

“Boa ngalindur yeuh?” pokna, demiari Kang Minto ngadon nyengir wekawantu panglungguhna, kuring gegehgeran nyengir ngan teu bisa pok daruma sa salah atuh. Nu pang-erana mahku Bu Aam Amelia, guru besar kuringjeung guru sarerea nu geus nyampak titatadi keneh.

“Yeuh, ari hayang jadi panulis moyankudu tukuh kana waktu, kudu tigin kanawanci, tur satia kana wayah. Ulah sok

openan kana alesan anu teu pira!” kituceuk Bu Aam, dina bubuka padungde -ngan.

Tegalluar, September ‘13Emha Ubaidillah Bratalegawa

PDKTKumaha atuh nya? Lah aingah! Asa

teu pararuguh pipikiran. Saré gé tangkagulinggasahan. Beurangna nya kitu téawé, sok hulang-huleng. Teu boga carakeur pipetaeun PDKT ka Néng Angeu,mangkaning manéhna téh awéwé anudipikahayang ti baréto kénéh.

Si Kunéng mimitina mah nu kitu téh.Boga adi téh kalah méakkeun hancengan.Basa ditanyakeun téh, euu…. dadiemamna mah nembé sakedik, nganpiring na kalah murag, jadi wé di-pasihkeun ka Si belang, ucingkameumeutna.

Tapi kétah aya untungna deuih, ala-tan éta pisan anu bisa nepungkeun uingjeung Néng Angeu, sok najan éra gé.

Ieu deuih!!! Tuda tukang sangugoréng téh sok opénan. Padahal favoritpisan. Matak naon dagang mah dagangwé tong bari jeung sisirik sagala.

Kamari gé basa kakara jol ka jalan,dék untab pisan ieu biwir… kalah dipi-heulaan kieu ku Si Emang téh. “Mang,mésél nasi goléng make telol dadal!”Gusti… tangka parada, mani beureum ieubeungeut, mangkaning aya Néng Aneu.Duh… nyeri pisan ieu haté basa karérétNéng Angeu nutup biwirna, nyeung -seurikeun…

Bari tungkul, ngasongkeun duit limarébu. Dipulangan ku Si Emang téh limaratus, da harita mah hargana opat rebulima ratus.

“Sabaraha nya angsulanana téh,Jang?” tukang sangu api-api nanya.

Kuring surti kana sura-seurimanéhna. Beungeut geus dék beureumdeui waé… kabayang tukang sangugoréng bakal ngagik-gik nyeung -seurikeun.

“Euuu….” Otak mutér. Dunya asa poékeun.

Baluweng kuma carana sangkan kuringteu nyebutkeun; lima ratus. Sabab bakalnyebutkeun ér, téh jadi él…

“Sabarahaeun, nya?” tukang sangugoréng beuki ngélég waé.

“Euuu…”“Gopé, Mang…” Néng Angeu jiga nu

surti, di dituna mah mélaan kuring nukeur pias.

Plooonggg…Gusti ieu haté meni deg-degan basa

ningal imutna anu kareueut.

Nina R-Antapani.

Manglé 2451 51

Page 53: Mangle 2451

Nu PangmindengnaGuru: "Aya dua kecap nupangmindengna diucapkeundi kelas ku murid, cik naon?"Murid: "Teu terang!"Guru: "Alus."

Kania Dewi AndrawatiDs. Cikoneng Rt 02/07

Kec. Leuwi Gajah - Cimahi

Naon Sababna?Budak I: "Naon sababna nuadan sok nutupan ceulina?"Budak II: "Sabab lamunnutu pan irung mah moal di -sada."Budak I: "Pinter euy, ari ceukmaneh?"Budak III: "Sabab katutupanoratna. Geura mun teu makesarung mah tangtuleungeun na teh dipake nutu-pan taeunna!"Budak I: "Palinter euy!"

Kania Dewi AndrawatiDs. Cikoneng Rt 02/07

Kec. Leuwi Gajah - Cimahi

PiguranSutradara: "Kangge nga -damel pilem perang ieu,urang teh peryogi pemeranpiguran nu seueurna sarebuurang."Produser: "Tuluy... kumahaurang kudu mayar honorkeur piguran anu sakitulobana?"Sutradara (ngahulengsakeudeung): "Kumahaupami urang nganggo pelorenyaan?"

Kania Dewi AndrawatiDs. Cikoneng Rt 02/07

Kec. Leuwi Gajah - Cimahi

Tarucing 1Adud : Cil, tatarucingan yuk?Ucil : Sok lah..Adud : Sato naon nu pang -leutikna?Ucil : Cacing!Adud : Naha? Pan bisa waé

tongo?Ucil : Pan tongona keurcacingan! jadi leuwih leutikcacingna..Adud : Pinterrrr!!

Budi GunawanJl. Saturnus 78 Margahayu

Tarucing 2Adud : Naon persamaananaNini kuring jeung Ninimanéh?Ucil : Sarua Nini-Nini!Adud : Anyiiiirrr! Teu raméeuy!!!

Budi GunawanJl. Saturnus 78 Margahayu

JalanSi Ojak jeung Si Ajuk saruaindekos, malah sakamarpisan. Ojak: "Tah Juk, ti sakola tehsayah mah rek terus ka lem-bur. bisi rek asup ka kamar,koncina teangan di tempatbiasa."Ajuk: "Mun teu kapanggih?"Ojak: "Ajaran we jalan jan-dela, sugan teu dikonci."Ajuk: "Mun jandela dikonci?"Ojak: "Mun kabeh dikonci,ajaran jalan kenteng, da taradikonci ieuh kenteng mah."

Alif RamdaniLido - Sukabumi

JampeWaktu ngaliwat ka kuburan,Si Ardi sasadu.“Puah... puah... puah...nying kah jurig dedemit setanjeung sajabana! Tapi munawewe geulis mah kadieugeura nyampeurkeun.”

Siti ZainabJl. Kangkung No. 13

Bandung

Neangan SendalDi hiji toko Si Kabayan keur

milihan sendal. Tapi sakitulilana teh sigana euweuh nukapilih hiji-hiji acan. Nyaterus ditanya ku Si Engko.Engko: "Nya neangan nukumaha Bah, sakitu lobanakieu?"Kabayan: "Neangan nu Abah,nu peuting leungit dimasigit!"Engko: "Sugan lieu jelemateh!"

Alif RamdaniLido - Sukabumi

Ngeunahna"Ari ngeunahna sampeudikumaha euy?""Diseupan!""Dibubuy!""Dikulub!""Dicobek tuluy digulaan!""Aaahhh... saralah siah! nge-unahna sampeu mah nya di-dahar atuh!"

Alif RamdaniLido - Sukabumi

UdudAbah: “Ah, bohong pajar -keun nu udud pondok umurjeung babari katerap kasakitteh. Buktina ieu Abah nepi kaumur 70 oge masih kenehjagjag!”Incu: “Komo mun teu baringaroko, meureun Abah tehayeuna masih asa ABG!”Abah: “Heueuh meureunnya, oho... oho...”

Siti ZainabJl. Kangkung No. 13

Bandung

UntungA: "Ngadon ulin sisi Walu -ngan Citepus ari pék datangcaah. Awahing reuwas, bujurmani asa tépos. Untung uingtapis, rikat ngajleng katepas."B: "Komo uing mahngadéngé nu gurang-gerung,sugan téh nu gering. Hanasmukakeun panto ari pékgarong. Untung ti girang ayahansip, garong ditéwak terusdigiring ka kantor RW nuperenahna di sisi gorong-gorong."

C: "Lain ngaléléwé sayah géka budak cékéng téh entongmaké anting bisi leungit.Keukeuh dipaké, enya wémurag teu kapuluk deui.Ngan untung!"A + B: "Untung kumaha?"C: "Untung anting-antingan.Mun anting enyaan mah lainpangaji énténg-énténg."

Féndy Sy. CitrawargaBandung

DiserahkeunOgin: "Karék gé kawin sapoé,Nyi Icih geus diserahkeundeui ku Jang Kardun."Onyon: "Naha?"Ogin: "Cenah mah gara-garapeuting munggaran, JangKardun awong-awongan bariulaweran getih tina létahna."Onyon: "Beu, pédah naoncenah?"Ogin: "Basa papuket silihcium, létah Jang Kardunngait kana béhel nu dipakéku Nyi Icih."Onyon: "Pantes ari kitumah."

Féndy Sy. CitrawargaBandung

Pangaruh NgarangProfesor nuju nguliahanmaha siswa:“Ngaran jelema gedépangaruh na kana nasib”“Contona prof?”“Ngaran pa Damiri”“Kumaha?”“Lamun indit ka Jawa Te -ngah pasti padamoro”“Wah”“Lamun indit ka Betawi pastipadamér锓Di Betawi pa Damiri jadibeung har atuh nya?”“Enya! Malahan ayeuna geusboga usaha beus Damri”

Abah Téa

45 MenitProfesor nuju nguliahanmaha siswa:“Nepi ka iraha ogé maén balmah moal obah ti 45 menit”“ Naha prof”“45 menit téh dumasar kanajumlah bola anu aya di lapa -

52 Manglé 2451

Page 54: Mangle 2451

ngan”“Sanés mung aya hiji bola naprof?”“Ari 2 bola anu dibarawa ku22 pamaén teu diitung kitu?”

Abah Téa

PutusAa : Geus wé ayeuna mahurang putus!!! Rina : Putus ? na iraha litujadian ana?Aa : Aéééhh... heueuh nya.(nepak tarang)

Teguh AriantoGang Nata 89 Binongjati

NgoloEma : Geura hudang, réksakola moal?Ujang : Badé (bari lulungu)Ema : Jung geura mandi, tuhaya roti jeung susu.Ujang : Sisinarieun aya rotisagala?Padahal karek jam opatsubuh.Ema : Alhamdulillahh,réngsé ogé saur teh.Ujang : Ari ema saur naon?Maenya saur satengah tujuh? Ema : setengah tujuh dimana, karak gé jam opat,ngahaja ema ngahudangkeunmanéh méh aya batur ema,arek puasa ngodoan,,Ujang : Pantesan atuh.

Teguh AriantoGang Nata 89 Binongjati

KésangDudu : ku naon nya munhareudang sok kaluarkésang?Dadi : Éta téh prosesmetabolis me tubuh epek tinapanas.Dudu : Tapi naha atuh betkudu kaluar késang sagala,naha teu sakalian wéh kaluarkota supaya rada jauh?Dadi : Hayang ditampilingmanéh mah nya?

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan 112 Cicalengka

AlesanUdin jeung Ibro keur pa-torong-torong. Paséa

rongkah.Udin : Geus!!! Geus euweuhdeui alesan. Euweuh!!!Ibro : Apa karena pake rokmini jadi alesan?Udin : Ulah ngadangdutsiah!!

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan 112 Cicalengka

Humandeuar"Duh! Jadi hayang balikm turnetep di lembur soranganeuy! Keun baé lah sanajanukur jadi camat beungharogé. Rido uing mah ninggal -keun profesi galandangansukses di ibu kota" ceukomon humandeuar barinanghunjar dina trotoar.

Cece RusmanaJl. Pungkur No. 67 Ban-

dung

IklanNyai : Mun ceuk iklan mahkieu, "Truk aja gandengan,masa kamu engga" hahahaaIbro : fitnah siah, yeuh... uinggé boga gandengan (barinungtun domba)

Cece RusmanaJl. Pungkur No. 67 Ban-

dung

Ulah KateuinganEmana: “Sagala rupa gé ulahsok kateuingan sok jadimatak!”Budakna: “Contona?”Emana: “Dahar jéngkolmatak jéngkoleun. Peuteuymatak jadi peupeuteuyeun,loba teuing dahar tarasimatak tarasieuneun.”Budakna: “Maenya kitu?Kumaha lamun loba teuingdahar sangu?”Emana: “Matak... kamere -kaan!”

SalvaJl. Pangaduan Kuda 132

Tasikmalaya

Néangan BelingAlo: “Ongkoh Emang téh réknéangan parab, tapi geuningteu mawa arit?”Emang: “Keun baé atuh Lo,

da Emang mah lain rék ngalajukut tapi rék mulungan be -ling.”Alo: “Keur naon mulunganbeling?”Emang: “Heueuh keur parab.Alo: “Parab naon?”Emang: “Parab kuda lum -ping!”

SalvaJl. Pangaduan Kuda 132

Tasikmalaya

Jalma SaktiBudak: “Ma, tadi di sakolaaya jelema sakti. Pira gé nya-gap dampal Nyai, manéhnanyahoeun indung bapaNyai!”Indung: “Piraku? Kumahacenah ceuk manéhna teh?”Budak: “Ceuk manehna EmaNyai teh awéwé. Sedengkeunbapa nyai mah cenah lalaki!”

Fitri WulansariBandung

BongbolonganNu datang: “Bah, tebih-tebihabdi dongkap téh hoyongnyuhunkeun bongbolonganti Abah!”Pananyaan: “Perkawis?”Nu datang: “Muhun hirupabdi téh kedah kumaha dageuning ripuh waé. Ngala-mar damel teu aya anunampi waé.”Pananyaan: “Kieu we atuh.Ujang diusahakeun kedahjanten diréktur bank!”Nu nanya: “Carana?”Pananyaan: “Kumaha Ujangwe carana mah. Nu pentingAbah tos masihan bongbo-longan.”

Fitri WulansariBandung

Leuwih HéranKabayan: “Sok asa heranuing mah Bah mikiran diri.Naha nya Bah uing téh laparwaé padahal can dahar.Jeung uing téh kunaon betripuh waé teu boga duitpadahal pan Abah gé nyahouing mah teu boga gadag?”Abah: “Heueuh kitu. Mala-han Abah mah leuwih héran.

Sakanyaho Abah mah ilaingtéh baheula mah bodo, na ariayeuna bet... belegug!”

KartiniJl. Moh. Hatta 47

Tasikmalaya

BbmanOjo anyar boga BB, keur di -ajar bbman..."PING!!!..PING!!!" dina BBOjo aya kiriman Ping contactti neng Uti... "Anyiiiiirr si Eneng Utinawaran pingping cenah.."gerentes Ojo bari runyah-renyoh.

Dicky AwaludinPanyileukan Blok V No. 24

Bandung

LebayOni : Ni.... si aki murag titangkal kalapa tuh!Nini : Aalaah... maot henteujang?Oni : Maot ni, buru tingali!Nini : Kéla jang tungguan rékganti status pesbuk heula jadilajang!Oni : Beuuu,,, nini aing!!!

Dicky AwaludinPanyileukan Blok V No. 24

Bandung

SaujratnaUwa: “Batur mah digawé ditempat baseuh téh pahayang-hayang bélaan nyogok. Na arimanéh ku naon bet em-bung?”Suan: “Atuda kuring mahboga panyakit asma, sieunkarugrag da tiris!”

KartiniJl. Moh. Hatta 47

Tasikmalaya

KulkasToko : “Milari naon bu?”Icih : “Kulkas, mang.”Toko : “Anu sapanto, atawaanu dua panto?”Icih : “Aah…! Anu sapantowé, tapi anu aya jandélaannya mang.”

BudianaJl. Pataruman 34 Garut

Manglé 2451 53

Page 55: Mangle 2451

54 Manglé 2451

Kamari ieu, Ida Widawati,juru tembang nu kasohor,dina acara bubuka Pasang-

giri Tembang Sunda CianjuranPiala Idawati 2013 di STSI Ban-dung, miharep supaya tembangSunda makalangan deui dina wa -ngun gending karesmen. Maksud -na jelas, supaya ambahan tembangSunda leuwih lega, henteu saukurdina pintonan tembang wungkul,tapi muncul oge dina wangunpagelaran lakon (teater).

Sabenerna nepi ka awal taun70an, pagelaran gending karesmenkungsi tandang makalangan oge.Sastrawan sarta budayawan AdingAffandi jeung Wahyu Wibisana,upamana, kaitung aktip mang-gungkeun gending karesmen. Lainngan saukur nulis naskahna, tapisakalian nyutradaraan deuih. Nganduka ku naon, gending karesmenkadieunakeun bet reuntas di te -ngah jalan. Bisa jadi, beaya keurmanggungkeunana kaitung gede,katambah deuih teu aya subsidimaneuh ti pamarentah. Hal sapertikitu, nyaeta atuh, lain kaalaman kupagelaran gending karesmenwungkul, tapi mangrupa bang-baluh oge keur sakumna kagiatankasenian. Alatan teu aya kabijakankabudayaan nu jelas, nya teu aya“arahan” kumaha nasibnasababaraha wangun kasenian.Naha ditangtayungan hirupna barijeung puguh lengkah-lengkah nga-mumulena, atawa sahayuna waesaperti nu lumangsung nepi kaayeuna.

Nyingkur

Nu matak helok, masalahna nyaangger di dinya di dinya keneh, teuaya upaya kumaha carana supaya

pagelaran kasenian bisa maneuh,mayeng hadirna ka tengahmasarakat. Tembang Sunda Ci -anjuran, upamana, kacirina tehbororaah bisa diangkat deui dina

wangun gending karesmen, dalahbisa manggung mayeng dina pinto-nan tembang oge can puguh dilak-sanakeunana. Geura, di manaurang bisa lalajo pagelaranana? Dimana tempatna, kumaha jadwal -na? Naha bisa saban bulan, sabantilu bulan, atawa kudu nungguantaunan? Jadi, nepi ka ayeuna, ditatar Sunda can bisa kalaksana -keun lumangsungna pagelarankasenian Sunda kalayan “terjad-wal” sarta “terjangkau” kumasarakat.

Nu matak panasaran, sapertioge dina masalah sejenna, tangtuwae perlu aya gawe bareng antaraPropinsi Jawa Barat jeung propinsisejenna. Lain wae dina masalahbanjir,upamana, tapi perlu ogedina msalah sejenna, kaasup dinakabudayaan. Tah, naha geus ayababandingan antara garapankabudayaan di Propinsi Jawa

Barat jeung propinsi sejenna,saperti jeung propinsi DKIJakarta, Yogya,Bali jeung nusejen na? Kunaon, upamana, diSumatra Barat, bisa diwangun mu-seum Bung Hatta, museum TanMalaka, minangka tokoh nudipikareueus ku masarakat urangMinang, ari di tatar Sunda nepi kakiwari teu aya museum tokoh-tokoh nu dipikareueus kumasarakatna? Ku naon propinsiBali geus bisa ngayakeun PestaKasenian Bali, mayeng puluhankalina, ari tatar Sunda teu acanngayakeun Festival KabudayaanJawa Barat, upamana? Kunaon dipropinsi Riau bisa diadegkeunpabukon sakitu rohakana, ari diurang sakitu waluratna?

Asia Tenggara

Linda Humar Abidin, balerinanu weruh kana manajemen kase -nian, dina Kongres Kasenian Indo -nesia di Jakarta, kungsinetelakeun Singapura, pulo leutiksagede pelok, boga ambisingamaju keun kasenian pangung-gulna di Asia Tenggara. Atuhsacara telik, sabada ngayakeun ba-bandingan di sababaraha nagara,manehna netelakeun, saestunakasenian ngabogaan dampakekonomi nu nguntungkeun. Han-jakal pedaran makalah Linda numingpin yayasan Kelola nu sagednarima konsultasi ngeunaankabija kan mekarkeun kasenian,kurang pada malire. Padahal Kong -res Kasenian Indonesia teh di-ayakeun ku pamarentah tur numariluna oge, diantarana, pajabatkabudayaan ti Propinsi JawaBarat! ***

Karno Kartadibrata.

Babandingan

Page 56: Mangle 2451

Manglé 2451 55

KA GIGIR:1. Alat penerangan5. Risi7. Hurang garing8. Barang nu sok dibikeun ku pangan-tén lalaki ka panganten awéwé9. Puasa10. Bulan Islam13. Poe sanggeus puasa sabulan16. Adegan ngeblog hareupeun bumibupati, wadana19. Guludug/tiwas22. Bulao24. Jamedud25. Siki26. Kasenian tradisional ti JawaBarat/ti Ponorogo27. Ruas awi gedé wadah lahang

KA HANDAP:1. Manuk nu hirupna deukeut laut2. Bukti3. Ranca4. Sabangsa goong leutik paranti

méré tangara5. Teu daék salulut6. Mindeng11. Ukuran lega12. Manuk nu bisa nyarita13. Pameuleuman kenténg, bata14. Gedé (Inggris)

15. Anjing (Jawa)16. Wedak17. Lauk sarupa gabus18. Sarupa iuran ti rahayat kapamarén tah20. Guru ngaji21. Degdegan22. Lebé

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1417. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosnamedal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1415:

1. Adi KurniawanJl. Mandalawangi-Garut

2. Toto HermanRT 02 RW 08 Kel. PasirbiruKecamatan Cibiru Bandung

3. Ibu EhaKampung Kubang Kuul RT 04/06Kacamtan Rancah - Ciamis

Kupon 1417Jawaban 1415

11417K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mangle 2451

“Ku genah….”“Genah ku naon, Mang?”“Ningal Juragan Camat Pangsiun.”“Genah kumaha, Mang?”“Parantos pangsiun téh ucang

anggé bari ngasuh incu.”“Yaktos. Tos sepuh téh teu kedah

mikiran milari artos sapertos Ma-mang.”

“Enya, Lo. Kapan kagungan gajihpangsiun.”

“Genahna téh sapertos JuraganGuru Pangsiun.”

“Genah kumaha, Lo?”“Keur mah kagungan pangsiun,

sawah sareng kebonna ogé lega.”“Bener. Kapan gajih pangsiun téh

hasil tina pangabdian mangpuluhtaun. Kapan tina waktu sakitu téhsabagian duitna ditabungkeun kanaga ra, sarta dibayarkeun dinamangsana eureun gawé nu disebutpangsiun téh.”

“Oh.”“Béda jeung kaom buruh atawa

paga wé pabrik, Lo.”“Béda kumaha, Mang?”

“Hayang nambahan panghasilantéh kudu haben-habenan démo. Manakomo kiwari mah kapan réa pausaha -an anu nerapkeun sistem outsourcingatawa pegawai harian lepas téa, lamundina tatanén mah buburuh maculatawa ngabedug. Lamun geus bérésdigawé téh bérés wé teu meunangnanaon deui. Komo lamun teu asupgawé mah, boh alatan gering boh ala-tan hal séjénna, lapur moal boga pang-hasilan.”

“Beu. Ku diayakeun baé atuh nyasistim nu teu manusiawi kawas kitutéh.”

“Enya, Mamang gé teu ngartipuguh.”

“Tapi, Mang.”“Aya naon deui, Lo?”“Aya deui Juragan Pangsiun anu

langkung genah.”“Pangsiun naon, Lo.”“Salian ti genah téh nikmat deuih.”“Enya, Juragan Pangsiun naon

atuh?”“Juragan Pangsiun Déwan, Mang.”“Oh.”

“Sok sanaos masa pengabdiananahenteu dugi ka mangpuluh-puluhtaun sapertos PNS, aranjeunna di -paparin gajih pangsiun.”

“Emh. Jaba keur jenengna bogapanghasilan anu gedé cenah mahnya?”

“Enya, meureun, saluyu jeungmodal anu dikaluarkeunana pikeunngahontal éta jabatan.”

“Enya. Genah atuh ari kitu mah,Lo.”

“Teu acan dugi kana nikmatna étamah, Mang.”

“Kanikmatan naon, Lo?”“Kanikmatan Juragan Pangsiun

Koruptor, Mang.”“Walakadalah?”“Cenah, ceuk padungdegan anu

remen dipidangkeun dina télévisi,anggota déwan anu korupsi ogé ceukaturan mah boga hak kénéh pikeunnarima gajih pangsiun.”

“Ambuing, nikmat temenan, Lo.Geus ngagasab duit nagara, terus di -biayaan hirupna ku nagara.”

“Cenah mah réa koruptor anungakalan sistim administrasi sangkanmanéhna bisa meunang gajih pang-siun.”

“Carana?”“Cenah mah ku cara ngundurkeun

diri tina kalungguhanana minangkaanggota déwan saméméh kaluar putu-san ti pangadilan.”

“Ih, ning babari.”“Ngaranna ogé Juragan Pangsiun

Nikmat.”“Kabita Mamang ogé ari kitu

mah.”“Hus!”***

Pangsiun Nikmat

56 Manglé 2451