Mangle 2464

57

Transcript of Mangle 2464

Page 1: Mangle 2464
Page 2: Mangle 2464

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL

PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata, Ny. Hana

Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang

R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA -

RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORES PONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Kakawasaan partey pulitik téh digjaya pisan. Méhsagalarupa nu tumali jeung ngurus-ngatur na-gara huluwotanana mah aya di partéy pulitik.

Boh nangtukeun anggota legislatif, eksekutif, kaasupnataharkeun piprésideneun, kumaha partéy pulitik.

Ketak parpol kitu, mémang luyu jeung undang-un-dang. Atuh, kitu tata carana deuih dina nangtukeun pi-pamingpineun ogé. Matak, teu anéh upama nungasongkeun atawa nu nawarkeun piprésidéneun gépartey pulitik. Saha waé calonna, kudu ngaliwatanpanto partéy.

Pihak-pihak nu dibalitungkeun ku partey, tangtunagé nu baris nguntungkeun pihak partéy. Atuh, saba-likna, upama dianggap taya pangaruhna keur partey,bisa jadi teu dipaliré.

Ketak jeung paripolah partey kawas kitu, bisa kagambar dina cara masing-masing partéy nempatkeun

calon legislatif dina pilihan umum ayeuna. Tinimban-gana lolobana mah gumantung kana kapentingan étapartéy. Balukarna, calon nu ditempatkeun ku partey teh,can tangtu nu dianggap ‘pantes’ kumasarakat.

Ketak partey kitu, memang wajar, lantaran nu bogakakawasaan nangtukeun caleg oge partey. Ngan, sawad-ina, masarakat gé bisa nangtukeun pilihanana kalayan’cerdas’. Milih pipamingpineun téh, ulah ngan sakadarkumaha raména, komo deui ukur lantaran eta caleg téhjalma sohor.

Mitra, tumali sareng éta pasualan Manglé nomer ieunurunkeun seratan tumali sareng kakawasaan parteydina nangtukeun pamingpin rahayat. Nu sanena, ser-atan tumali sareng cara masarakat nangtukeun paming-pinna. Nu dua hal bieu tiasa ditingal dina Laporansareng Aweuhan Pasundan.

***

Antara Kabutuh Masarakatjeung Kapentingan Partey

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2464

BAHASAN

LEKRA Bagian ti PKI

Ajip Rosidi

......................................................... 30

IMPLIK-IMPLIK

Seni Sunda di Masarakat Cina

......................................................... 46

LAPORAN

Caleg nu Arunggul

Kasilih Kawijakan Partéy

.......................................................... 8

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Gedong Sate ...................................... 48

Katumbiri .......................................... 41

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Alit ..................................... 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Drs. Toto Sucipto;Miara Budaya Sunda Malar Teu Diaku Deungeun

Ari rék togmol ka manéhna, tongdatang-datang deui ka imah, teu

werat. Asa moal kaur pok, kaburuku cipanon. Nulis dina facebook

waé kitu? Kasawang geunjleungna.Jadi wéh nyarahoeun, antara kuring

jeung manéhna aya nanaon........

Jukut Riut

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Page 4: Mangle 2464

3Manglé 2464

KKacaTilu

Gurat Beungeut

Ceuk kolot, watek hiji-hijinajelema téh bisa dibaca tinagurat beungeutna. Tah ayeuna

ninggang kana wanci nu mustari.Keur meujeuhna usum ayeuna-ayeuna téh. Geura étah rupa-rupabeungeut teu sasatna diasong-asongkana beungeut urang. Lengkep jeungnomerna, katut ngaran partéyna.Jeung maruji manéh deuih. Aya anungaku jelema takwa. Aya anu nyebutmanéh nyaah ka rayat. Tapi euweuhhiji gé anu agul lantaran sedep ka istrimah. Komo anu ngaku koruptor anuleueurna leuwih ti belut mah.

Dina lebah milihna, éta mahkumaha urang. Aya gambar SutanBhatoegana upamana. Piraku ayakénéh nu can apal saha ari Sutan.Lantaran ngaranna maké Sutan, pan-tesna téh salembur jeung SutanSyahrir, Sutan Takdir Alisyahbanaatawa Sutan Malaka. Pokona abrulanbangsaning sutan mah moal ti manajolna.

Tapi kadé ulah boga sangkaan liribarat potokopian, kabéhanana bakalpersis taya bédana. Sutan Syahrir nusakitu pinterna, henteu karooh kupangbibita Walanda. Padahal munngagugu, moal hésé imah, moalsusah hayang boga mobil. Panghasi-lan bakal mucekil. Atuh dina sakalinaresep ka istri, moal enya nepi ka kudunampik da ituna anu sasat ngasong-ngasong. Tapi pan teu kitu. Syahrirmilih merjoangkeun kamerdékaannagarana batan kudu hirup lubak-libuk bari kumawula ka penjajah.

Sutan Takdir Alisyahbana, najan

henteu kungsi nyorén bedil, ari ka-cintaanana ka lemah cai mah, geusdiaku. Harita mah ngan aya hiji bukuTata Bahasa Indonésia nyaéta nu di-susun ku STA. Henteu barieukeunsaperti ayeuna.

Tan Malaka mah komo deui.Getol pisan nulis sangkilang kaayaanharita walurat kabina-bina. Henteukungsi nyorang gen-ahna ngantor diSenayan lantaran dina jaman révo-lusi kaburu ditémbak ku tentara.Sanggeus leuwih ti 60 taun dikuburdi pasisian Kediri Jawa Timur,kakara ayeuna cenah arék dipin-dahkeun ka Taman MakamPahlawan Kalibata.

Syahrir, STA, Tan Malaka ayeunamah ngan kari gambarna jeungtulisanana. Ari Sutan Bhatoeganaosok pirajeunan kitu nilik-nilik potrétpara sutan nu tiluan téa? Sigana mahtara. Da unggal ngomong gé apantara aya bandunganeunana manéhnamah. Tara kungsi kadéngé deuih pi-rajeunan ngutip omongan atawatulisan Syahrir atawa Tan Malaka.Mana kitu gé, teu mustahil, tara macajeung teu wawuheun deuih.

Matak meujeuhna lamun ayeunaloba anu bingung. Bingung ku ningalikeureutan beungeutna bingung kungabandungan omonganana. Arékkumaha ngabanding-bandingnaatuh?

Lamun ceuk kolot harita pasi-patan jelema bisa dibaca tinapotrétna, ayeuna mah karasa radabangga. Lain hiji dua anu kitu téh, ieumah umumna sarua. Tangtu wé, da

potrét anu dipasang jeung dida-gangkeun ka sakumna umat téh me-unang mapantes. Méméh jeprétdipotrét téh, aya anu husu ngabebe-nah. Perkara jasna warna biru, meu-jeuhna da warna partéyna ogé kitu.Kadé éta rambut ulal sina ngariomkitu, bisi matak sieuneun barudak.Gumujengna deuih ulah tarik teuing.Kedah optimis Pa. Sawios nujumayunan perkara anu abot, ulah dugika kanyahoan ku anu sanés.

Lamun potrétna geus diréka-rékakitu, naon palakiahna atuh sangkanélmu maca gurat beungeut bisakénéh teurak. Apan ieu mah guratanbeungeutna ogé geus dijieun-jieun,geus pupulasan. Sagala rupana di-saluyukeun jeung palakiah kaidahkomunikasi pulitik anu panganyarna.Sedeng nu ngaranna élmu macagurat beungeut, éta mah tradisonalpisan. Boa-boa bakal nambag.

Ulah waka pondok pangharepan.Ayeuna apan aya nu ngaranna élmugéstur. Sok geura tanyakeun ka PaAcép Iwan Saidi. Moal, moal diper-sabenan. Jeung moal aya ongkosnadeuih. Piraku da Acép téh tunggal pa-pada Sunda kénéh. Urang Bogor an-jeunna téh. Ulah disaruakeun jeungurang Tasik, tara piduit urang dinyamah. Tinggal urangna wé anu lu-deung nyaritakeunana. Pa Acép, cingabdi tulungan. Ieu anu hayang dipilihku abdi téh beungeutna kawas kieu.Geus tilu peuting abdi téh teu bisamondok. Omat, ulah teu ditulungan.**

AM

Page 5: Mangle 2464

Sampurasun! Damang NyiManglé? Nuhun pami dara-mang mah.

Punten ngiring nyerat. Nyi,kiwari mah geuning loba pisannu hayang jadi pamingpin.Padahal, loba conto mantenpamingpin téh, tinemu bahla.Jabatanana, ahirna mah ngan-teurkeun dirina ngaringkuk dipangbérokan.

Beuki dieu nu harayangjadi pamingpin atawa wakilrayat téh beuki loba. Jabatannaon waé nu merelukeunpangdeudeul rahayat, teuweléh jadi inceran. Atuh, rupa-rupa tarékah ngirut haté rayatsangkan ngarojong dirina jadipamingpin teu weléh ditaréka-han.

Naon waé pakarepan, sokjadi udagan nu hayang dihon-talna. Léngkah-léngkah jeungparipolah hirupna, gambarantina pamahahan si éta jalankana kahirupan. Padahal dinaagama mah, totorosol hayangjanten pamingpin téh apan di-pahing pisan..

Dina agama Islam ogé apanjelas, naon waé nu dipilampahdi dunya baris aya balukarna diahérat. Hartina, sagala rupaparipolah jeung kalakuan didunya baris jadi tanggungjawabna dina mangsa kahiru-pan jaga. Dadasar kahirupankawas kitu mistina mah jadipamatri pribadi masing-mas-ing dina nangtukeun paripolahkaasup pancén gawénasamangsa kumelip di alamdunya.

Beuki dieu téh nu hayangjadi pamingpin beuki loba.Prah deuih dina sabantingkatan. Contona, ayeunadina usum ‘nyaleg’ boh ditingkat nasional, propinsi, ogékabupaten/kota, teu weléhkasindeuhan ku jalma-jalma nuboga pakarepan jadi wawakilrahayat. Eta calon, katingalnaogé, pamianganna téh lain ukur

neueul kana kahayang, tapi ogéasal meunang. Hartina, loba nuboga pakarepan kitu teungukur ka kujur!

Cek simkuring mah, upamangahontal udagan saukur ka-hayang wungkul, saukur meu-nang wungkul, bisangabalukarkeun mamala. Ki-tuna téh, lain ukur démokrasiteu séhat, tapi deuih dina dan-gka panjang mah, bakalngaruksak pasipatan ‘hadé’balaréa. Ku kituna, simkuringmeredih, dina milih wakil rayatkudu dumasar kana atisanubari, nu bener-benermampuh. Kumaha ari urangSunda? Rék milih saha?Mangga éta mah sanggakeunka diri séwang-séwangan. Nujelas, loba nu dipiharep geuningteu jol. Sabalikna nu nyaralon,biheung teuing apal kanakaayaan urang.

Sakitu wae, mudah-muda-han aya mangpaatna. Kitu deui,ka Ais Pangampih Mangle, ha-punten, bilih aya kekecapan nukirang merenah, kirang luyujeung undak-usuk basa Sunda.

Wassalam,

Pa UdungTi Tasikmalaya

Perda NgamumuléBasa Sunda

Larapna Perda No. 5 keurngamumulé basa Sunda geusjinek. Tinggal kumaha jeung kusaha dimumuléna. Ayanaperda tangtu ogé aya wara-gadna. Ku saha waé waragadkatarimana, jeung kabagiannepi ka sabaraha waé nu unggalnarima? Tangtu nepi ka ayeunatacan aya bewara nu jentre turlengkep. Pami Manglé nu nga-mumulé basa Sunda ti jamanpoék (méméh aya listrik) kénéhkabagéan teu? Ah... punten ieumah heureuy nya.

Reueus pisan, di urang sok

aya kongrés basa. Kitu deui,generasi muda seueur nuharoyongeun dialajar basaSunda. Malahan loba pisandina media internet mah nu sil-ihsimbeuhan pentingna ngob-rol ku basa sunda. Ieu tandagenerasi muda moal kitu-kituwaé ninggalkeun basa lem-burna. Ngan nu ulah téh, malahnyebutna ‘teu rido’, lamun ayawarisan-warisana Sunda kupasipatan bohong, hianat, in-gkar jangji. Sabalikna kudu ayawarisan pasipatan jujur,amanah, nyaahan, ogé buméla.Tah, jinekna dina pasipatanjujur ogé, generasi ngorahayang pisan kawarisan apal,kamana baé salila ieu anggaranlarapna Perda Basa Sunda. Up-amina ka 100 lembaga, jiganaalus pami dibéjérbéaskeun dinaManglé. Yakin pisan simkuringmah, urang Sunda mah luhurjatidirina, luhur kajujuranana,ogé sok aya kainggis lamunnincak dina salah, béda jeungurang batur. Kumaha lamunteu aya warisan kajujuran?Beu! Meureunan mana kituogé, urang Sunda geus ning-galkeun tatapakan Sundana so-rangan. Da, Sunda mah lainnapak di hiji jalma, tapi dinapasipatanana. Urang Sunda nujujur, éta Nyunda, urang Sundanu teu jujur, lain urang Sunda.Satuju!?

Sakitu mudah-mudahanjanten eunteung saréréa.Nuhun ka Ais PangampihManglé.

[email protected]

Urang Sunda kedahNgariksa Diri

Urang Sunda kirang numaranggung dina widang poli-tik, rupina mah lepatna aya diurang keneh. 1. Rempug jukungsauyunan di antawis urang tosrada kirang sanaos di sebat teuaya pisan mah teu acan. 2. Diantawis urang teu sakedik nungaraos langkung reueus ku

deungeun-deungeun ti batanmireueus urang pituin.

Wassalam,Budi Yanto

Poho ka Jati Urang Sunda kirang nu

maranggung dina widang poli-tik, ku sabab urang sunda geuspoho kanu jati dirina, ku sababpoho eta, jadi weh urang Sundateh kalindih ku urang de-ungeun. Urang Sunda geusloba nu poho kana kareueusjadi urang Sunda, poho kanarasa sadulur papada urangSunda.

Wassalam,Adi Jaksa

Nu HarayangMakalangan

Mun urang deungeun waehayang makalangan di tatarSunda, komo deui urang sundana! Saenyana meureun, urangdeungeun oge boga pertimban-gan atawa lilinggeran anumatak mawa untung pikeunpamaksudan maranehna. Munceuk paribasa mah, "Lain lan-tung lambuh laku, lain lantangtanpa beja". Hartina,maranehna "Lain datang teupupuguh, tapi aya nu dimak-sud". Tapi sanajan kitu, keunbae asal urangna rido galihjeung manah. "Clik putih clakherang".

Wassalam,Ian M Komarudin

Gengsian

Urang Sunda kirang numaranggung dina widang poli-tik, lantaran urang Sunda mahgengsian papada urang sundage. Ari ngomong sok pake basaIndonesia bae, teu jiga sukuanu lain. Komo budak ngoramah kana lagu Sunda geus teuresepeun.

Wassalam,Herman Arapat

Manglé 24644

Milih Rayat nu Amanah

KKoropak

Page 6: Mangle 2464

Warta-warta hasil karyabangsa diaku batur, keurDrs. Toto Sucipto mah,

matak tugenah. Lan-taran,cenah,hartina bangsa urang téh masihkénéh héngkér dina miara jeungngariksa hasil karyana. “Teu jarang,nu enya-enya nyiptakeunana, didakwangalanggar hak cipta, lantaran eta

karyaleuwihtiheuladipatenkeunkupi-haksejen,” pokna.

Kajadian kitu, kaalaman kusababaraha urang pangrajin Bali. Numatak nyeri haté, nu ngadakwa- ke-unana téh bangsa deungeun, pedahpihakna leuwih heula nyiptakeun hakpaténna, padahal nu saenyana lainmanehna nu hak. Kitu ceuk ieu Kepala

BPNB Bandung mah.Lian ti hak cipta pribadi, hasil

karya karuhun bangsa géremendiakudeungeun, misalnawae, tempe, ukiranJepara, kopi Toraja, Reog Ponorogo,Lagu Rasa Syange, jeung sajabana.“Nu sapetos kitu kedah janten conto,sarta dituturkeun ku tarekahngungkulananan,” ceuk ieu teureuhSubang Jawa Barat téh.

Lobana hasil karya diaku deu-ngeun, lain pasualan basajan. Lan-taran, bisa jadi mamala. Apan, sapertinu kaalaman ku salasaurang pangar-jin bali, apan dijagragkeun di pangadi-lan, diancam dihukum, kalayankudumayardengda nu lain sautik.“Kaayaan sapertos kitu, matak pri-hatin,” pokna.

Tangtu cenah, pihak-pihak nu en-geuh kana pentingna budaya téh teucicingeun. Pamaréntah gé, apan sabantaun ngusulkeun hasil karya bangsasangkan diaku di dunya internasional.Ti waktu ka waktu, aya nu di-patenkeun di tingkat nasional, sapertiwayang (2003), keris (2005), batik(2009), angklung (2010), tariSaman

5Manglé 2464

TTamu

Drs. Toto Sucipto, Kepala BPNB Bandung

Drs. Toto Sucipto;

Miara BudayaMalar Teu Diaku Deungeun

Teu jarang hasilkarancagéan karuhun

diaku dengeun. Ba-lukarna, turunananamah teu bisa ngalap

mangpaatna. Kitu di an-tara jejer obrolan Man-

gle jeung Drs. TotoSucipto, Kepala Balai Pe-

lestarian Nilai Budaya(BPNB) Bandung.

Page 7: Mangle 2464

(2011), jeung Noken (2012). Atuh dinataun 2013, Indonésiagé ngusulkeunsababara hasil karya, tapi taya nululus, hartina kudu ditambahan deuidata-datana.

Memeh didaptarkeun di tingkatinternasional, pihak BNPB gécumeluk sangkan masarakat ngadap-tarkeun hasil karya luluhurna nusipatna kolektif, saperti kasenian, hasilkarajinan has hiji daérah jeung saja-bana. Carana, pihak BNPB ngalu-arkeun pormilir, saterusna sinadieusian ku nu ngalaporkeunana,tangtu wé kudu dilengkepan ku dataawal, saperti sajarahna ogé ahlina.Geus kitu, bakal aya nu nengetan hal-hal nu didaptarkeun téa, disusud kalapangan. “Upama nyumponanpasaratan bakal dipaparin sertifikat tiKementrian Pendikan dan Kebu-dayaan RI,” pokna.

Lain LulumayananCeuk juru kawih cenah, budaya téh

jasana lain lumayan. Ngan, nya kitu,ceuk kepala BPNB mah, masarakat géloba nu teu engeuh kana budayana.Atuh, anggapanana kana budaya geheureut naker, da lobakénéh nu bogaanggapan, budaya téhnganukurkasenian. Padahal, ceuk ieu lulusanJurusan Antropologi, budaya téhrupa-rupa naker, kasenian mah ukurbagian tina budaya téa. Mun diwincikdeui, aya budaya nu wangunnabarang, aya oge nu mangripa pal-sapah, padika hirup jeung sajabana.

Tina budaya téa, saterusna mahloba mangpaatna. Saperti mun éta bu-daya téh mangrupa hasilkarancagéanmasarkat, tangtu wé, lainukur semet pakéeun da bisa nga-datangkeun pangasilan, jadi pangupajiwa. Matak, teu anéh upama hasilkarya téh, kacida diajénanana jeungkacida pentingna.

Hasil karya nu diaku di tingkat in-ternasional, saperti angklung, apanahirna mah lain ukur jadi kaagulan, dapuguh muka lolongkrang usaha. Nunyarieun angkulung bisa meunangpangasilan da éta alat-alat kaseniantéh payu naker di luar nagri. “Seueurhasil karya nu ahirna mah, nga-

gaduhan pangaruh potsiti kanggokamékaran ekonomi masarakatna,”ceuk ieu urang wewengkonPantura nulahir taun 1965 téh.

Hasil karancagéan masarakat téhkacida lobana. Contona, nu tumalijeung kasenian, apan nyampak disaban tempat kalayan boga cirimandiri. Nu kawas kitu, kudu gancangdidaptarkeun ka Kementrian Pen-

didikan dan Kebudayaan. Upamanyumponan pasaratan tangtu bakaldisahkeun pangakuanana kalayanjinek rengkolna dina sartupikat. Geuskitu mah, jongjon lantaran moal diakudeungeun.

Ngajiga Malar NgajegaAya paribasa mun teu wanoh moal

bogoh. Matak, ceuk Toto mah, pentingpisan mikawanoh budaya bangsa téh

Manglé 24646

TTamu

Ngajak masarakat nyaah kana budaya

Drs. Toto Sucipto sareng kulawarga

Page 8: Mangle 2464

sangkan tumuwuh rasa cinta jeungkareueus. “Teu reuustéh bongan weteu apal,” pokna.

Toto mah yakin, nu napak kanabudaya mah, bisa leuwih maju. Saba-likna, mun ngabaé-baé budaya soran-gan, saterusna ge moal puguhsorangeunana. Matak, cenah, miarabudaya téh penting pisan. “Apan ceukkekecapan karuhun gé urang téh kudungajaga, ngajiga, ngajega, jeung nga-jago,” pokna nyutat kekecapan tinanaskah Sunda heubeul.

Mun téa mah, rék ‘ngajago’,hartina kudu masagi. Apal kana sagalarupa nu mistina apal. Wanoh kanasagala rupa nu mistina dipikwanoh.Kitu deui nu tumali jeung budaya,kudu dipiara sangkan kaalap mang-patana. Apan, ceuk kekecapankaruhun ge, mun butuh supana kududaék miara catangna. Budaya nu bakalmaslahat, tangtu wé kudu di-piara sa-hadé-hadéna.

Mun ngaku urang Jawa Barat,hartina gé kudu kawas urang JawaBarat, da budaya nu dipakena gé bu-daya Jawa Barat. KituceukieukepalaBPNB teh. Malah, ceuk ieu nu resepsilat téh, teu nanaon ‘ngajago’ gé munpuguh kamampuhanana mah!

Dina mangsa patalimarga antarabangsa jeung bangsa gampang kacida,parobahan paripolah gé gancang silih-pangaruhan. Geuning remen kasak-sén, nu samemehna teu kabandungan,bet kawas nu akrab kasaksén disakuir-luengeun urang. Nu kawas kitu, bisanyebar ngalegaan.

Kaayaan kitu, keur ieu pana-lungtik mahbudayamah, teu matakheran, da puguh antarbangsatéhsili-pangaruhan téa. Ngan, nu tétéla mah,geuning bangsa urang nu jadi ‘sasaran’pangaruh deungeun téh. Kanyataankawas kitu gé bisa kasaksen ti mangsaka mangsa. Aya waktuna bangsaurang (pangpangna mah nonomna)kapangaruhan ku budaya Barat,saterusna, kasengserem ku budayaIndia. Geus kitu, torojol jepang, nu di-tuturkeunku Korea. “Urang kedahkiat napak kana budaya soarangan,”pokna.

Pangaruh kitu, lir kujang dua pan-gadekna. Bisa mangpaat jeungmadorot.Mangpatna, tangtu wéda ayasawatara bagian nu hade pangaruhna.

“Ngan, teu jarang nu mawamadorotge,” pokna. pokna.

Apan paripolah dengeun mah, cantangtu loyog jeung kabiasaan di urang.Atuh, mun kasengsrem ku budaya de-ungeun, nu soarangan mah bakal di-apilainkeun. “Padahal, ukurngungudag nu batur mah, tetep moalkapimilik enya-enya,” pokna semungelingan.

Ngabadungan kaayaan kawas kitu,Drs. Toto Sucipto, teu sing leutik hate.Inyana percaya, bangsa urang téhboga kapunjulan. Kitu deui nu tumalijeung budaya, apan tembong nakerkarancageanana gé. Ngan, mun téamah teu pati tembong lantaran mé-mang nu leuwih nembraktéh pan-garuh budaya asing tea. “Tetep kedahoptimis asal aya tarékah anu jinek,”ceukieu alumni UniversitasPadjad-jaran (Unpad) teh.

Naon tea tarekahna téh? Taya lianceuk ieu Kepala BPNB mah, tetepngawanohkeun budaya sorangan,ngaja jeung ngariksa sarta satékahpolah mekarkeunana luyu jeung kabu-tuh nu ngajamananana!

Milih Ancrub dina BudayaSaperti barudak lembur umumna

taun 1970-an, masih keneh raketjeung budaya karuhun. Kitu deui Toto,ngarasa akarab jeung kasenian Sundatéh, saperti penca silat. Atuh, ula-ulidina ieu seni gé lain ukur tuturut mud-ing da tanjrih nepi ka biasa mintonboh di sakola boh dina acara-acara

séjénna.Karesepna kana silat saperti kitu,

nuluy nepi ka SMP. Malah, karepnakana kasenian téh bet nambahan, dahayang pipilueun kana gendingsagala, ngadegung, kajeun jadi tukanggoong. Horéng, kabiasaan deukeutjeung seni Sunda gé, bet jorojoy ayakahayang, bogakarep leuwih antebkana budaya. Matak, pilihan kuliahnagé gilig tolabelmu di Juru-sanAntropologi Unpad.

Cekel gawéna, mimitina mah dikosnsultan. Harita, gajih mah lain lu-lumayanan, da bisa sapuluh kalieunpagawé nagri nu kakar ‘cle’. Ngan,geus kitu lalakonna, kudu nyambungjeung budaya, waktu aya panarimaanpagawé nagri, sepuhna nyarankeunsangkan leuwih milih jadi pagawenagri. Tinimbanganana sangakanélmu nu diarah di bangku kuliah ka-mangpaatkeun. Antukna, katarimajadi pagawenagri nu raket tumalinajeung kabudayaan.

Najan gajih mimiti ukur sapesapu-luhna tina gajih konsultan tea, teu jadihahalang. “Nya alhmadulillah mayengdugi ka ayeuna,” ceukieuurangSubangnu lahirtahun 1965 teh.

Keur Toto, digawé dina bidang bu-daya, karasa loba mangpaatna. Dirinayakin, upama bangsa urang napakkana budaya talari karuhun, sarta bisangalarapkeunnana, kekecapan nga-jaga, ngajiga, ngajega, jeung ngajago,lain pamohalan. ***

(Ensa/Nay)

7Manglé 2464

Ngariksa budaya sangkan teu diaku deungeun

Page 9: Mangle 2464

Aweuhan pilihan wakil rayat keurmilih DPRD Kabupaten/Kota, DPRDProvinsi, DPR-RI jeung DPD-RI, walatraka saban tempat. Teu di kampung teu dikota, pada-pada ngadurényomkeun étapilihan. Kitu téa mah teu sing anéh, lan-taran jinek wakil rayat nu kapilih téh, mé-mang nu bener-bener nu dipikabutuhbalaréa. “Nu kapilih jadi wakil rayat,kedahna nu leres-leres mampuh tur nuarunggul di dapilna masing-masing,”ceuk Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, Drs., SH.,MS., Guru Besar Fakultas Ilmu Sosialdan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Pad-jadjaran (Unpad), Bandung.

Wakil rayat tetep kudu boga visi katutmisi jeung kamampuh dina rupa-rupa

udagan demi kamaslahatan balaréa. Arinu disebut wakil rayat, tangtu kudumampuh nyekel amanah rayat nu mili-hna. Hartina, wakil rayat nu jadi, mé-mang nu bener-bener amanah, apalkaayaan tur arunggul di dapilna masing-masing. “Kedahna nu kénging téh nuterang kaayaan dapilna ogé nu arungguldi dapilna,” pokna basa ngobrol rinéh dikampus Pascasarjana Unpad Dago Ban-dung.

Nilik kana kamampuhan paracalonwakil rayat, bisa ditalingakeun visi jeungmisina katut ketak éta calon di dapilna.Upama éta calon apal pisan kana kaayaandapilna, tangtu éta calon mémang geuspantes jadi pilihan rayatna. Ku kituna,

ceuk Prof. Asep, sosialisasi visi jeung misipara calon ka rayat di dapilna, kudu jelas.Kagiatan nu kawas kitu ogé ka ditunamah kudu jadi sarana atikan pulitik keurmasarakat. “Ulah ukur ngabibita jeungngabobodo. Tapi, kudu mampuh mérégambaran, naon waé nu bakal disorangjeung kumaha prak-prakan ngalak-sanakeunana,” pokna deuih témbrés.

Husus keur calon-calon rayat nu ayadi dapil-dapil di Jawa Barat, Prof. AsepKartiwa masih percaya, masarakat JawaBarat bakal milih nu arunggul di dapilna.Sok sanajan di sababaraha dapil di JawaBarat, réa calon nu apal kaayaan rayatna,tapi urutanana aya dihandap.

Posisi atawa urutan calon, mémang

Manglé 24648

LL aa pp oo rr aa nn

Prof. Asep Kartiwa; nu kapilih kudu nu arunggul di dapilna

Caleg nu Arunggul

Kasilih Kawijakan Partéy

Héabna milih

wakil rayat 2014

geus karasa di

mana-mana. Para

calon ti partéy puli-

tik gé geus ‘gedé

harepan’ bakal

kapilih ku rayat nu

aya di dapilna.

Ngan, kumaha

upama rayat salah

pilih? Naha nu jadi

pilihan di dapil

masing-masing

bener-bener nu

arunggul di

daérahna?

Page 10: Mangle 2464

dina sistem demokrasi kiwari teu jadisual. Tapi dina panalinga masarakat,geus katangar, yén urutan nu pan-gluhurna bisa jadi kaasup calon nu pan-gunggulna. “Hanjakal, seueur kénéhcalon-calon wakil rayat nu palinter, numampuh, henteu jadi urutan pan-gluhurna,” pokna deui.

Pilihan langsung, mémang gambaranlumangsungna démokrasi dina nang-tukeun jalma nu pangunggulna. Ngantangtu wé, hasilna mah can tangtu idéal,atawa nu panghadéna.

Pangna kitu, lantaran partéy nu nga-songkeun piliheun, saperti leuwih ment-ingkeun kapentingan partéyna. Komodeui, dina pilihan pamingpin atawa wakilrayat kawas ayeuna, pilihan rayat bisaogé keur kapentingan partéyna lain keurpilihan kamaslahatan masarakatna.Hartina, aya kapentingan séjénsatukangeun éta pilihan.

Kawijakan PartéyUpama masarakat di Jawa Barat loba

nu kagét ka calon-calon rayat, lantaranpangaruh dominasi partéy keur nga-songkeun di dapil masing-masing, leuwihgedé. Ku kituna, teu anéh upama lobaanggapan masarakat nu aya di dapil mas-ing-masing, loba nu dipiharep tapi teunyalon, sedengkeun nu nyalonkeun, jus-tru lain nu teu dipiharep. Kitu deui keurdapil di Jawa Barat. Cek panalinga ieupaniten administrasi publik, keur JawaBarat penting pisan calon nu kapilih téhurang Jawa Barat sorangan. “Pang-pangna kanggo DPR-RI, upama seueurnu kapilihna teureuh Jawa Barat, ka di-tuna, kaunggulan Jawa Barat ogé bakaldiperhitungkeun di tingkat nasional,”saur Prof. Asep Kartiwa jinek.

Antara para calon nu dipiharep jeungnu kalah aya, cek Prof. Asep, lantaranpartéyna sorangan, kurang nalingakeundina nempatkeun jalma-jalma nu bener-bener potensial di éta daérah dapilna.Henteu waé di dapil Jawa Barat, tapi ogédi daérah luar Jawa Barat. Masih lobapara calon teu apaleun kana poténsidaérah dapilna. Lantaran kitu, ahirna,loba calon rayat nu nempuh jalan séjén.Di antarana ngagunakeun politik nukotor, saperti politik ‘duit’ sangkan milih

dirina.Dina mangsa pilihan langsung kawas

kitu, rayat ogé boga kakawasaan. Karimetakeun hakna, luyu jeung kahayangna.Kanyataan kawas kitu, sawadina kudubener-bener dimangpaatkeun kusakumna nu boga hak pilih. Cek ieuKetua Dewan Pakar IAPA (IndonesianAssociation Public Administration), pili-han rayat gé kudu milih nu panghadénadumasar kana ati sanubari rahayat. Lan-taran putusan nu ukur memenitan,balukarna mah manjang. Copélna, limatauneun ka hareup.

Ajen-inajén calon rayat, pamustun-

ganana mah gumantung kana putusannu milih. Hartina di dinya, aya gambarandémokrasi dina nangtukeun pilihan. Kitudeui, lantaran pilihan, bakal ogé guman-tung kana ketak tim sukses, ku kituna,atikan politik kudu bener-bener dilarap-keun, nyaéta atikan politik keurkapentingan balaréa!

Dina panitén ieu ahli élmu pamarén-tahan, nu rék milih jeung rék dipilih kudusareundeuk saigel, nuju kana visi, misi,katut, jangji-jangjina téa. “Mudah-muda-han rayat bener-bener sadar kana pent-ingna milih calon nu unggul didaérahna,” pokna. (Rudi. H)

9Manglé 2464

Atikan politik keur kapentingan balaréa

Pesta démokrasi, lain keur kapentingan partéy

Page 11: Mangle 2464

Manglé 246410

DINA Kamus Basa Sunda R.A.Danadibrata (PT KiblatBuku Utama, 2006) kecap

“kompét” téh ngandung harti“tilepan ponggolan daun caujualeun”. Diteruskeun ku kateran-gan “sakompet daun cau lamundaun cauna rubak jeung teu saroéhcukup saponggol, tapi lamun dauncauna nya heureut jeung saroeh,sampingna rubak di jeronasababaraha ponggol daun cau nuheureut jeung saroéh”. Dina éntriéta kénéh R.A. Danadibratanyon-tokeun paribasa dikompétdaunkeunanu pihartieunana “jelema hadé di-anggap sarua jeung nu goréng at.jeung nu boga salah, nu goréngdikumkeun jeung nu hadé”. Étaparibasa téh, cék R.A. Danadibratakénéh, “sok disebut ogé dihurunsu-luhkeun”.

Ari dina Kamus Basa Sunda R.Satjadibrata (PT KIblat BukuUtama, 2005) mah “kompét” téh teudihartikeun kecap dasarna, tapikecap rarangkénna: Sakompét anuhartina salipet. Lebah ngahartikeundisakompétdaunkeun (dihurunsu-luhkeun) mah cukup ku “disaru-akeun jeung nu boga dosa”.Enas-enasna mah sarua jeung nu di-hartikeun ku R.A. Danadibratasakumaha ditétélakeun di luhur.Dina buku 1000 Babasan jeungParibasa Sunda beunangna BudiRahayu Tamsyah sprk. (PustakaSetia, 1994) paribasa “dikompét-daunkeun” atawa “disakompétkeun-daunkeun” sarua hartina jeung“dihurunsuluhkeun” nyaéta“disamarutkeun jeung nu boga

dosa”. Dumasar éta tilu buku, “dis-

akompétdaunkeun” téh ngandungharti disaruakeun antara nu hadéjeung nu goréng, antara nu benerjeung nu salah. Dina kahirupansapopoé, tinangtu teu bisa dirad-keun kitu. Nu bener teu kacidisamarutkeun jeung nu salah, nuhadé teu bisa disaruakeun jeung nugoréng. Da mungguh kitu apan nukudu dipilampah dina kahirupansapopoé gé, nu bener kudu dip-isahkeun ti nu salah, nu hadé kududipisahkeun ti nu goréng. Cindekna,ulah disaruakeun. Ulah digradu-alkeun cék pibasaeun kiwari mah.

Tangtu kudu kitu dina enggoningurang ngalakonan kahirupandemokrasi gé. Pangpangna lebahnyanghareupan pemilu nu sok padanyarebut “pésta demokrasi” téa.Taun ieu, cindekna tanggal 9 April2014, urang baris tepung (deui)jeung nu disebut “pésta demokrasi”téa. Sakumna rahayat nu geussawawa papada miboga hak pikeunmilih, boh partéy, boh wakil-wakilna nu dicalonkeun pikeun jadianggota parlemén. Malah geussababaraha kali pemilu, rahayatngabogaan hak pikeun milih salahsaurang calon anggota Déwan Per-wakilan Daérah (DPD) nu barisngawakilan propinsi salaku sénator.Nu ngawakilan Propinsi Jawa Baratdi DPD aya opatan. Hak rahayatJawa Barat pikeun nangtukeun sahanu opatan téa ku cara ngagunakeunhak pilih dina pemilu bulan Aprilengké.

Tah, dina enggoning urang nga-

mangpaatkeun hak pilih téa perlunaurang ngajauhan sikep nyakompét-daunkeun téh. Nganggap sakumnapartéy jeung wakil-wakilna sartacalon anggota DPD nu barisnyoarakeun kapentingan daérahpropinsi téh sarua baé goréngna.Upama urang mibanda sikepsamodél kitu, nya antukna urangbakal milih cicing di imah batanindit ka TPS,alias milih jadi “golput”téa. Tug padahal upama urang hen-teu ngagunakeun hak pilih téh saruajeung nganggap teu penting kananasib bangsa jeung nagara jero limataun ka hareup. Kacida pisan ruginaupama urang milih jadi golput ala-tan sikep nyakompétdaunkeunatawa ngahurunsuluhkeun téa. Kukituna atuh ulah jadi golput, anuhartina apilain kana nasib bangsajeung nagara.

Nyanghareupan pemilu nu bakaldatang téh kawasna meujeuhnaupama urang nanjeurkeun sikep“piraku taya nu hadé ti antara sakituréana piliheun”. Ku sikep kitu,hartina urang moal milih jadigolput, tapi baris ngagunakeun hak-pilih kalawan daria. Enya, milih téhlain kawajiban, da puguh ngarannaogé hak, hak-pilih, tapi lebar temenupama éta hak téa nepi ka lapur ala-tan teu digunakeun. Pilih calon, bohkeur DPR, DPD jeung DPRD, anudipercaya ku urang bakal mer-joangkeun nasib urang, nasib ra-hayat. Da tangtu henteu kabéh calonanu upama geus jeneng téh ukurmikiran dirina sorangan. Kitu jam-péna mah malar urang teu milih jadigolput téh.***

DI KIWARI MACA BIHARI (32)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Ronggéng Gunung Sisingaan

Page 12: Mangle 2464

Lian ti pilihan anggota legislatif,nu keur jadi kacapangan balaréatéh pilihan présiden. Loba pihak

nu geus tatahar ngasongkeun calonna.Malah, nu ngawanohkeun bakal calonprésiden gé rupa-rupa cara, kaasupngaliwatan konvesnsi partéy pulitik.

Konvensi nu lumangsung, di Ban-dung, sawatara waktu ka tukang,salasahiji cara ngawanohkeun bakalcapres ka balarea. Di dinya, calon téh tirupa-rupa profesi jeung sélér bangsa.“Tapi, taya saurang ogé nu asalna titatar Sunda. Urang Sunda mah, tongboro giak nataharkeun piprésideneun,dalah ukur jadi pamilon konvénsnigéhenteu.” ceuk Drs. Soma Gantika,M.Si., KetuaBidangOrganisasi PB.PaguyubanPasundan.

Mémang, nu nangtukeun calonprésiden mah, pihak partey pulitik.Masing-masing partey pulitikngawanohkeun capresna ka balarea.Atuh, nilik ka dinya, kamaphum upamanepi ka danget ieu taya urang Sunda nukasebut-sebut picapreseun, lantaranteuayaurang Sunda nu jadi ketuaumum partey atawa jadi ketua dewanpembina. “Ngan, munurang Sunda di-ajakan dina konvensi, bisa waé, upamaurang Sunda dibalitungkeun batur,”pokna.

Upama urang Sunda kurang dibali-tungkeun patrey pulitik, ceuk ieu dosenFisip Unpas téh, sakuduna jadi pame-cut keur sakumna urang Sunda. “Ulahngan ukur daék dipaké pakacar de-ungeun, “ pokna.

Hartina, urang Sunda gé kudu bogakakuatan anu jinek. Carana,cenah,kudu ngawangun kasadaran masarakatSunda. Saperti dina nangtukeun pam-ingpin boh dina milih legislatif boh ek-

sekutif, kasadaranurang Sundasakumna kudu jinekjadi kakuatan anurohaka.

Ngan, saha nunyadarkeunana?Tangtu wé, para‘elit’ Sunda atawapara inohongSunda.

Mémang, cenah,ari adurenyom ka-sundaan mahremen. Tapi, ukursabudeureun parainohong wungkul.“Boa masarakatmah teu apal, dabéwara-béwara nge-unaan pentingnakasundaan téh teunepi ka masarakat-Sunda,” pokna.

Dina mangsapilihan umum, paraélit kudu leukeundatang kamasarakat. Ngajakjeung nyadarkeun masarakat pent-ingna kapamingpinan. “Kudu mampuhnuwuhkeun kasadaran masarakat kanapentingna pilihan pamingpin nu barismangpaat keur urang Sunda,” poknatandes.

Sora rahayat Jawa Barat kacidalobana. Jumlah nu kawas kitu jadikakuatan nu rohaka. Ku kituna, urangSunda gé kudu nangtukeun pilihananakalayan imeut tur taliti sangkan nukapilih téh nu nyaah ka tatar Sundajeung masarakat Sunda.

Pamingpin, ceuk urang Sunda mah

kudu masagi. Hartina, kudu lobapangabisana, punjul ti masarakat nudipingpinna deuih. Sual ukuranana,aya ugeran jinek, nu nyantri, nyunda,nyakola, tur nyantika. “Ukuran nukawas kitu, bisa dipaké padika milihpamingpin keur urang Sunda,” ceuk ieuWakilKetua YPDM Pasundan téh.

Nu penting ayeuna, ceuk Drs. SomaGantika, M.Si., ngawangun kasadaran‘kolektif’ urang Sunda. “Mun kaku-atanana jinek, tangtu bakal dibali-tungkeun pihak séjén, kaasup dinapilpres,” pokna.

***

AA ww ee uu hh aa nn

Urang SundaUlah Ukur Tukang Keprok

11Manglé 2464

Ubyagna pihak-pihak nu nataharkeun piprésideneun, urang Sunda mah haré-haré. Mun téa mah, ilu-biung, ukur ‘lalajo’ atawa ngahaminan batur. Kitu di

antara jejer obrolan Manglé jeung Drs. Soma Gantika, M.Si., PangurusPuseur Paguyuban Pasundan.

Drs. Soma Gantika,M.Si., ....“UrangSundaulahukurjadipakacar”

Page 13: Mangle 2464

Manglé 246412

NNyusur Galur

Cita-cita hayang mindahkeun puser dayeuh kabu-paten Bandung ti kota Bandung teh geus diraran-cang jeung ditaratas digunem caturkeun ti taun

1950. Tangtu bae kudu saluyu jeung kahayangmasarakat. Harita pilihan lokasi ditangtukeun di Baleen-dah sabudeureun Dayeuhkolot (De oude negorey vanBandung), geus sapamanggih harita teh jeung pihakDPRD. Kabupaten Bandung luyu Jeung nomer surat09/KPTS/DPRD/1970.

Sarua jeung Gupernur Jawa Barat Solihin GP anu ma-parin restu kasaluyuanna sacara resmi saluyu jeung Suratno; 1059/A-1/2/1972 tanggal 13 Nopember 1973.

Pikeun nataharken jeung ngayakeun survey sartanyusun rarancang Induk Ibukota Kabupaten Bandung nudipercayakeun ka PT.West Java Consulting ServicesPingpinan Prof. DR. Abumutalib mentri PU mantendibantu ku para planolog ti LIPI-ITB pingpinanDR.Iskandar hasilna geus dilaporkeun ka DPRD jeunggupernur Jawa Barat , ti nu dua tadi geus ditarima suratpernyataan persetujuan kana Rencana induk Ibukotasaperti anu kaunggel dina Buku 1 nu dikaluarkeun tang-gal 18 april 1973 ngeunaan Rencana Induk Ibukotakabupaten Bandung. Pangawasan jeung ngabebaskeuntanah sarta peraturan peralihan Surat Menteri DalamNegri No. BKT 4/1/14 Februari 1974 ngeunaan RencanaINDUK IBUKOTA Kabupaten Bandug enta ka Gupernursupaya nyaluyuan jeung Rekomendasi ti Bupati Bandungka Gupernur ngeunaan idin mindahkeun puseurdeyeuhkabupaten Bandug. Surat Gupernur Jwa Barat No.155/A.1/2/1974 tanggal 16 Maret 1074 ngeunaan proyekPenyempurnaan prasaratan Prasarana pisik Pamong-praja Propinsi jawa barat taun 1974/1975. Ngusulkeunpangwangunan kantor jeung Rumah Dinas Bupati Kabu-paten Bandung pikeun meunang prioritas dina eng-goning ngarojong dina upacara neundeun batu cikalpalaksanaan pangwangunan puseur dayeuh kabupatenBandung. Surat Gupernur Jawa barat No,166/A.1/Kota/1974 tanggal 30 Maret 1974 ka MentriDalam Negri mangrupa rekomendasi Kasaluyuan jeungmenta idin pikeun mindahkeun puseurdayeuh nu jadipusat pamarentahan Kabupaten Bandung ka Baleendahsabudeureun Dayeuhkolot.

DieureunkeunTanggal 20 April 1972 ninggang dina poe tepung

taunna Kabupaten Bandung anu ka 333 lumangsungupacara masang titimangsa jeung prasasti sakaligus ne-undeun batu cikal tanda diawalanana pangwagunnpuseur dayeuh Kabupaen Bandung ku Gupernur JawaBarat di-pingpin ku Panglima Kodam VI Siliwangi katutunsur Mapida. Kacida ramena pesta mieling wewetonkabupaten teh sabab mareng jeung diteundeunna batucikal tea. Warga kabupaten Bandung ngarasa suka bun-gah, cita-cita hayang boga puseur dayeuh anu henteujauh ti lemburna bakal kasorang. Urusan-urusan jeungpamarentahna moal jauh deui, mol kudu ka kota Ban-dung deui anu beuki heurin ku tangtung. Minimal henteudi dayeuh Bandung deui puseur dayeuhna Kotamadya.Geus waktuna kabupaten boga puseur dayeuh di lem-burna sorangan, henteu tumarumpang deui di kota.

Terbitna peraturan daerah no: IV taun 1973 hartinageus boga kakuatan hukum ngeunaan Penetapan Ren-cana Induk Ibukota Kabupaten Dt/II nu dikaluarkeuntanggal 18 April 1973 nu ngamuat bab-bab ngeunaanKatangtuan Umum, Rencana Induk, jangka waktu, jeungtahap-tahap palaksanaan pangwangunanana.

Wawanen teh saur RH.Lily Sumantri dina panineu-nganana, babarengan jeung para pejabat teras PemdaKabupaten Bandung pikeun ngalaksanakeun proyek ro-haka ieu, sanajan tanpa ada bantuan dana atawa saranananaon, tekad babarengan ngan dibekelan ku motivasijeung sepuh anu nyebutkeun yen “Lamun urang bogapamksudan jeung tujuan anu hade, salawasna kudu baeaya halangan harungan. Tapi mangrupa dosa jeung nodagede lamun urang teu wani ngalaksanakeunna, padahalmaksud jeung tujuanan hade teh bakal kacida gede gu-nana pikeun kapentingan masarakat jeung kapentingbangsa katut nagara”.Proyek rohaka ieu memang di-rarancang jeung dilaksanakeunna jaman ordeu Baru,ngeusian REPELITA I jeung REPELITA II, anu dinaawalna mah memang jalan lancar jeung sukses, tapi dinakanyataanana dina ahir REPELITA II sabada dipigawe10 taun lilana pagawean ujug-ujug kudu dieureunkeun,dumasar kana parentah jeung putusan pihak atasan nuboga kawajiban. Kacida hanjakalna.

Gagal Ka SeskoadKudu Jadi BupatiKeur kadua kalina Panglima kodam VI Siliwagi menta

RH. Lily Sumantri pikeun lebet SESKOAD Reguler

Pindahna Puseur Dayeuh Dirarancang ti Taun 1950

Page 14: Mangle 2464

13Manglé 2464

saluyu jeung Surat Keputusan KASAD, ngagantiAngkatan ka 8 taun 1970. Tapi dibatalkeun sabab RH.LilySumantri kapilih jadi Bupati Kepala Daerah Tk II Kabu-paten Bandug. Gupernur Jawa Barat dina Surat no; 47/BX/DES/PPD/72. Tanggal 17 maret 1972, perihal anu ka-duakalina nulis surat ka pangdam VI Siliwangi ngeunaanditunjukna Letnan Kolonel RH. Lily sumantri pikeunmilu pendidikan di SESKOAD, bawirasa sulit pikeun bisadipertanggung jawabkeun upama kudu ditetepkeun keurgagantina keur saheulaanan antar waktu salila R.H.LilySumantri ngalakonan pendidikan.

Ari kasempetan milu pendidian di SESKOAD Regulerpikeun Perwira Menangah leuwih hade dibere kasem-petan deui sabada beres mangsa jabatan pengkaryaansakumaha anu dimaksud tadi.

Maksudna taya lian sangkan panglima tiasa nga-malum, kana sagala rupi perhatosanana, ngahaturkeunnuhun. Ditawis ku Gupernur Jawa Barat Solihin G.P.

Ngartos sarta paham pisan kana hal-hal anu dise-batkeun tadi. Sim kuring netelakeun sadar turta nampisarta iklas pikeun neruskeun tugas kekaryaan jadi BupatiKabupaten DT II Bandung tepika mangsa jabatan beres.Ditawis ku R.H.Lily Sumantri.

Repotna Narima OndanganNu pangngarepotkeunana upama narima ondangan

ti daerah, boh ti kacamatan boh ti desa. Pangpangnanyumponan ondangan seremonial anu lokasina tam-polana jauh, henteu bisa disorang ku kendaraan, tapikudu disambung ku leumpang, nanjak mudun lamping,matak cape. Komo sabada tepi ka tapel wates desa, katin-gal masarakat ngajajar sisi jalan ngabageakeun ku sewukabungah.

Bapa-b apa jeung ibu-ibu ngabaris beresngabageakeun rombongan ku paroman anu suka bungah,dina kaayaan anu geus kacida lungsena narima pang-bagea, masarakat sungsong ngawilujengkeun kanusumping. Katedaan ngabarak, rupa-rupa kaolahan uranglembur kayaning ranginang, opak, wajit, dodol jeungbubuahan disu-guhkeun, atuh bari ngaso teh ngaleueutda puguh sagala aya.

Sabada ngaso, bral rombongan jeung pribumingabring ka masigit, solat lohor, balikna deui geus disa-diakeun keur tuang siang. Kacida ni’matna tuang ngariugdi lembur, sangu akeul rencangna asin, sambel lalab, paislauk jeung sajabana.

Beres tuang siang, gunem catur jeung Kepala Desa,para sesepuh katut tokoh masarakat. Loba anu ditem-brakeu ku Kepala Desa jeug para tokoh masarakat,babakuna nu tumali jeug masalah-masalah di palembu-ran, masalah hirup sapopoe, naon leuwihna naon kakura-ngana, maranehna brukbrak cumarita henteu asa-asadeui. Nu jadi pangabutuhna oge saerti dina widang per-tanian diungkabkeun ka bupatina.

Sajeronig kitu Ibu Bupati oge dina riunganana jeug

ibu-ibu ngawangkongkeun rupa-rupa masalah, pang-pangna anu tumali jeung kahirpan ib-ibu di palemburan.Loba pisan masalah anu ditepikeun ka ibu bupati dinakasempetan anu langka ieu.

Sakolaan di DaerahDina kasempetan silaturhmi jeug para sesepuh para

pingpinan pamarentahan desa katut masarakat lobapisan masalah anu katampi ku bupati. Tapi pangpangnamah, pameredih, usul malah ngadongsok supaya PemdaKabupaten gancang ngawangun sakolaan pangpangnakeur SD di desa-desa. Sabab tetela loba keneh barudakanu henteu katampung di SD-SD anu geus aya, memangsakolaan mah geus aya tapi teu cukup lamun kudu nam-pung kabeh barudak anu kudu jeung hayang sarakola.Ditembrakeun yen di desa aya 400 budak anu teu acanbisa katarima di SD sabab sakolaanana teu cukup tea, bu-pati ngaraos prihatin, Ari sakola kapan wajib.

Upama bisa mah ngawangun 6 rohangan kelas anubisa dipake ku 240 siswa, mun bisa sakolana bagilir (2shift) sapoe, tangtu bisa nampung 480 siswa. Tapimasarakat henteu bogaeun waragad keur ngawangun 6rohangan kelas oge. Waragad keur ngawangun sakolaanteh kudu aya Rp. 24.000.000.-

Bupati ngajakan barempung jeug mikir babaregankumaha cara ngungkulanana. Babarengan ngitung sako-laan anu kumaha anu kudu diwangunna, sabaraha pi-waragadeunana, diwincik tepi ka bubuk leutik tepikaahirna bupati harita ngajanjikeun arek nyumbang semenbatu 250 sak, minangka pangjurung ludeung jeung meresumanget ka masarakat.

Na da eta mah heuleut lima bulan ti saprakbabadamian tea, datang laporan anu netelakeun yen wa-ngunan SD hasil sewadaya masarakat geus rengse diwa-ngun , Bupati muji sukur kana sumanget masarakat anutansah hayang nyakolakeun anak-anakna jeung ngama-jukeun lemburna.

Taun 1973 Bupati R.h.Lily Sumantri dipercaya jadiketua PORDASI (Persatuan olahraga Berkuda) sa JawaBarat , nampi tongkat etapet kapamingpinan pordasiJabar ti Kol.Kav. DR. H.R. Yudono Koesoema MBA.Kol.Kv.Yudono. Ketua Pordasi Jabar nu heubeul Kol.Pur.Ahmad Syam Walikota Bogor nampi pamasrahan lapangpacu Tegalega jeung Tribunna.

Dibantu ku gupernur Jabar Bupati Bandung mampuhngawangun Setadion olahraga Pacuan Kuda di Arca-manik. Bupati rempug gawe jeung para pejabat PU numaratuh di Ujungberung, mangnyieunkeun lapangangolf di Arcamanik. Dua proyek eta saterusna disebutJawa Barat Recreation Centre. Ku jalan diwangunna la-pangan Pacuan Kuda Arcamanik, saterusna lapanganpacuan kuda Tegalega ku Bupati dipasrahkeun ka Wal-likota Bandung.***

(HRS/Hanca)

Page 15: Mangle 2464

Manglé 246414

MMunara Cahaya

Alloh SWT ngadawuh dina QS Al-‘Araf ayat ka 26;

“Yeuh anak Adam! SaenyanaKami geus nurunkeun ka aranjeunpakéan pikeun nutupan orat jeungpikeun papaés. Tapi nya pakéantakwa anu panghadé-hadéna mah.Éta téh ti antara ayat-ayat Alloh su-paya maranéh aréling.”

Alloh SWT maparinan tilu rupapakéan, nyaéta: (1) Pakéan anu ngansakadar nutup orat nu karasa perelujeung pentingna. Upama jalma geusapal kana kasopanan, pasti ngarasaéra mun katémbong orat. Sedengkeunjalma nu teu apal kana kasopananmah tangtu moal butuheun kanapakéan samodél kitu. (2) Pakéan anudipapantes, diraéh, jeung disulam, su-paya oratna katutup bari pantes di-pakéna. Diantarana hiasan batik,kombinasi warna atawa papaés anu di-jieun tina bulu manuk nu matak ha-neut kana awak sarta henteu tembusku cai, alus warna jeung rupana, teubabari luntur sarta lemes dicabakna.Ku sabab boga akal, manusa bogakarep sakeur ngaréka daék mikir turmotékar, mampuh ngabédakeun hadéjeung goréng, pantes jeung ngéwa.Umat anu acan maju mah cukup kusagala hideung atawa sagala bodasmalahan ukur nutupan orat pe-pentigna, taya karep pikeun ngaréka.(3) Pakéan takwa, nyaéta pakéan jalmaanu parantos ningkat kaluhungan budijeug batinna.

Ku lantaran tabéat manusa sokresep ngaliwatan wates, dina ayat tadidituduhkeun pakéan jalma lainpakéan kuda atawa monyét sangkanulah poho kana tujuan asal, nyatananutup orat, nuruban anu ulah tém-bong anu teu pantes katara ku batur.Nyaéta ku panggeuing yén pakéan anupaghadé-hadéna mah nyatana pakéantakwa. Islam teu maréntah sangkanbatin atawa maké baju potongantakwa teu ngawidian maké pakéan anujauh tina katakwaan, anu hartina ném-bogkeun orat lahir orat batin. Tujuanpakéan téh nyaéta nuruban orat,tegesna orat, ahlak anu gorég patut,jeung sakumna kajahatan. Ku kitunakudu ditutup ku katakwaan, sabablamun teu ngabogaan katakwaantangtu keleter ati anu jahat atawaajakan nafsu anu murka bakal katém-bog dina amal garapan anu nyata teukahalangan ku pakéan takwa. Lamundi parapatan aya juru tugur anu purahngarangsadan pakéan sing saha anulalar liwat ka dinya tangtu moal ayaanu daékeun ngaliwat deui ka dinyamalah bakal kapok teu sudi ajrig-ajri-gan. Lamun ditakdirkeun aya numaksa mirusa ngalaan pakéan di ten-gah jalan tangtu moal rido malahanbakal ngamuk mertahakeun diri sababwirang lamun nepi ka kudu ditaran-jang. Tapi anéh bin ajaib, samangsa di-rangsadan pakéan ku sang Syetan mahteu aya au ngambek malah sigah nupasrah tepi ka kajeun bulucun. Naonatuh sababna? Sabab ari Syétan mahcara ngaragsadanana lain ngudar mo-rosotkeun tapi ku cara ngahajangagindingan tur mapaésan nepi kaleugit tujuan asal. Kieu ceuk Aki Pan-tun;

Kaistiméwaan baju Jadi simbul jadi ciri Antara jalma jeung hewan Nembus ngeunteungan roh batin Komo dipasieup takwa

Hakékat luhungna budi.

Pami carogé nu tuhuMayunkeun dangdosan istriImeut dina nutup oratKilang hurung-hérang awisTeu kalebet lakon nyandangMargi luar tina syar’i.

Anu asalna maké pakéan téhhayang buni ulah katémbong orat,ayeuna mah anu jadi ciri jeung syi’aryén diri téh lain mu’min anu hakiki,kalah hayang katanggar ngatarakeunteu yakin kana gangaasna naraka, nga-haja pamér ka nu lian yén diri téhnukang nonggong kana kaislaman,reueus dina kadorakaan. Upama étapakéan rap dipaké, ngarasa gandangjeung ginding diuk dina riungan péstahura-hura ana lamun dipaké kamasjid atawa pasamoan anu sifatnaibadah, matak éra turta wirang.Upama urang tafakkur, geuningpakéan lahir mah meni rupa-rupa, ayapakéan paragi nahan tiris jeung panas,kakapeungan pikeun jaga diri dinapangperangan tegesna tina seranganmusuh. Naha atuh ari pakéan batinanu bakal ngajaga diri tina panasna se-uneu naraka jeung tina gangasna siksakubur bet diluli-luli?

Kacida teu adilna lamun kanapakéan lahir paboro-boro, paalus-alusbari teu ngarasa gimir ku mahalnaharga, sawatara kana pakéan batin,pakéan takwa kacida heuat beuratnapadahal hargana leuwih murah sartaawét sabab bakal kapaké tepikeun kaahérat, teu buruk teu ajur sok sanajankaselang ngetém heula di alam kubur.Dina Hadits diterangkeun yén batinmanusa téh bakal dilukiskeun kupakéanana tegesna pakéan téh gam-baran kaayaan batin anu makéna.Jalma sholéh ahli ibadah umumna teudaékeun maké baju jeung calanawarna sageblég nu sok dipaké ku

Paké jeung Pamaké nu HadéKu Émha Ubaidillah

Page 16: Mangle 2464

15Manglé 2464

tukang ngadu hayam ngadu domba.Rosululloh SAW mapadonan sangkanumat Islam ulah maké pakéan nu biasasok dipaké ku kaom musyrikin turkaom kafirin.

Dawuh Rosululloh SAW;“Demi Alloh anu jiwa Muhammad

aya dina tangan kakawasaanana.Moal aya pagawéan hiji jalma anudibunikeun, anging ku Alloh bakal di-pasihan anggoan (anu salaras reuje-ung amalna) anu nembrak turtanyata. Lamun pakéanana alussalawasna tangtu alus jeung lamungoréng baé atuh tangtu goréng.”(HR.Ibnu Jarier RA).

Ayeuna kacida lobana jalma anungagem agama (Islam) geus ning-galkeun tiungna (hijab), malah geuswani ngaganti ku erok pungsat atawacalana merecet ditiungan ka luhurnarenga-rengé. Hal éta nuduhkeun turtangajadi pertanda ruksak pakéan batinatawa teu merduli kana ayat-ayat anuaya hubunganana kana sual éta. Lainnyela kana erokna tapi tina hal nutu-pan oratna, lamun téa mah aya erokanu laér bisa nutup orat samodélpakéan wanoja-wanoja di Mesir(nuIslam) tangtu sah sah waé asal pakéananu nuduhkeun kana katakwaansabab kacida kaliruna lamun badankasaran dijaga didama-dama, diraksadiriksa boh tina panas tina tiris bohtina pamoyok jelema sawatara teu di-jaga tina seuneu naraka anu bahannalanggeng saeneng-eneng.

Ku sabab sok maké erok, levismerecet atawa calana modeu leupeutnepi ka ninggalkeun hijab(tiung jsb)balukarna bakal ningkat resep kaluarti imah turta bakal ngajauhan masjidatawa pangajian anu tungtungnaakhlak ogé bet robah saeutik-saeutik,beuki ngésér kana nyéléwéng turtangagaléong jauh. Lamun nu jadi pa-majikan reujeung para wanoja turtapara nonoman sina maké pakéan is-lami tangtu bakal ngarasa éra muncampur gaul di tempat-tempat dangsa,éra ku lalajona éra némbongkeun dirijadi puseur paningali balaréa saba-likna baris ngarasa betah turta tigtrim

mun aya di tempat pangajian di majlis-majlis dzikir geusan ngaweweganiman, geusan terus-terus ngundakke-unana kana lébel anu leuwih pinunjul.

Dina Al-Qur’an diterangkeun yénKangjeng Nabi Adam alaihis salaamsamangsa ngala buah tina tangkalkhuldi jug taranjang kabuka oratna,atawa langsung kaungkab kasala-hanana. Hal éta méré isyarat yénpakéan téh bener-bener panutup oratsaperti ogé katakwaan salaku pang-buni kajahatan. Pakéan téh gedé pan-garuhna kana amal garapan.Kulantaran kitu, urusan anu patalireujeung pakéan ulah dianggap sepélé,sabab tina panto éta para syétan blas-blus ngagoda ka urang(manusa).

Rancatan tina tuturus Nyaplak huma reujeung sawah

Syétan tara paéh jurus

Mitapak ucap jeung lampah.

Melak léjét melak laja Sakalian ngaguguntur Matak kagét ku wanoja

Ulin make baju tidur

Ketan pangkék dina lisungEtémna ti SarijadiSyétan teu nyarék ditiungNgan ngamodeu ka Yahudi.Pasir Koja Pasir JeungjingJalanna ti KarapitanWanoja sok pada nudingMun pareng panyéréwédan.

Lamun tiap lalaki boga anggapanyé wanoja maké erok téh atawa maképakéan samodeu jeung pakéan kudaleuwih alus tur leuwih matak nariktibatan papakéan islami tangtu kadinya para wanoja paniténna(perha-tianana) jeung ku nukeurkeun caramaké, ku ngalihkeun fungsi pakéantina anu buni luyu reujeung syaré’atkana pakéan purikil nu jauh tina ajén-inajén kaislaman teu mustahil atawateu nutup kamungkinan akhirnanukeurkeun kaimanan, naudzu billahmidzaalik.

Syétan ngagodana ka urang henteuti salawang waé tapi ti sakurilingbungking jihat anu katelah madhabpapat malahan geusan ngahalangansangkan lalampahan pamungkasmanusa nyinghareupan maot jeungakhérat aya dina pamaléngos magh-firoh Gusti Alloh SWT ku jalan ngajakninggalkeun ibadah jeug ta’at.

Syétan pisan anu ngabeungbeu-ratan ku sagala ruruba dunya anu kuurang rék ditinggalkeun, tegesnakadunyaan reujeung harta-banda anuteu sabaraha. Bréh sawah, bréh kebonbréh lumengis anak incu, pamajikanjeung sobat sapangulinan. Sanajanurang yakin yén dunya barana téhbaris ditiggalkeun tapi beurat jeungkacida cintana leuwih punjul batankana ibadah anu nyata-nyata bakalkabawa ka akhérat.

Ti katuhu tuturubun, ngarobédasagala ibadah, ngawewejét akidah nubeunang hésé capé dileukeunan tileuleutik, nu keur dikeureuyeuh dia-malkeun. Blus pentangan Syétanngawangun baksil ngaranna riya’.Ibadah ngan ngutruk jeung ngutrukteu nyésakeun sasebit kaweninganihlas karana Alloh. Ti tebéh kéncangagoda supagi karasa yén ngalakonankajahatan téh, yén ngalakonanma’siyat téh, yén ramé-raméngahirupkeun maén jeung pamabokantéh, hiji kani’matan turta kangeunahansakeur jalma anu iceus ngamang-paatkeun dunya, kitu cenah. Dité-pakeun celepan patén dina ati-atinasangkan teu aya saguruntul-sagurutulacan watek rumasa salah sok komowanoh kana dosa, diantarana étakabéh nya ku cara ngabolékérkeunorat, lain wungkul diteumbleuhkeunka kaom wanoja da patéah lalaki gékacida mangaruhanana.

Allohumma ashlih ahwaalaa. Wa-balligh bimaa yurdhiika Amaalanaa.Wakhtim bish-sholihaati a’maalaanaaWabis sa’aadati Ajaalanaa. Wa-antaRoodhin ‘Anna Ya Robbal ‘Alamin.Subhaana Robbika Robbil’izzati‘Amma yashifuuna Wasalamun ‘AlalMursaliina Walhamdulillahi Rob-bil’Alamii (Wallohu A’lam).

***

Page 17: Mangle 2464
Page 18: Mangle 2464

Manglé 246418

CCarita Pondok

ARI rék tog-mol kamanéhna,tongdatang-datang deui

ka imah, teu werat. Asamoal kaur pok, kaburu ku

cipanon. Nulis dina face-book waé kitu? Kasawanggeunjleungna. Jadi wéhnyarahoeun, antara kuringjeung manéhna ayananaon.

Embung aya nu nyaho.Éta mah sina nyangkaruk

dina haté wé. Haté kuringjeung haté manéhna nusaban usik sok guntrengwaé. Antara jojontor hatékuring jeung jojontor hatémanéhna aya benang nunganteng, teu pegat-pegat,teu kalis kahalangan ku

rumah tangga. Teu kaha-langan ku salaki teu kaha-langan ku anak. Sarua,kitu pisan, cenah,manéhna gé. Pamajikan-pamajikan, anak-anak,haté leutikna mah –cenah—meulit dina haté

Jukut RiutCarpon Us Tiarsa R

Page 19: Mangle 2464

19Manglé 2464

kuring Ti papada ngora tepi ka

ayeuna geus reuay incu,angger wé nganteng be-nang téh. Sababaraha kalirék digolongan atawa sinapegat pisan. Ngantengdeui-nganteng deui. Nga-haja teu ditelepon-teleponacan, ambéh teu kahudangdeui. Pleng aya bulanna,malah kungsi aya taunna,teu tepung-tepung. Teukuat. Sok aya wé alesankudu tepung téh. Salakigering téa. Barudak soknatanyakeun waé. Ayahajat téa. Ditelepon wéh.Gurudag datang ka imah.Saréréa kawas nu saro-noeun naker. Salaki gé teusirikna ngeukeuweuk le-ungeun manéhna, teu lésottas sasalaman téh. Dersaréréa ngobrol ngalérngidul, gogonjakan. Ayaaturan sapat sapoé jeputngawangkong téh.

Pédah papada bisanyumputkeun semu,meureun, boh salaki bohbarudak, teu riuk-riuk, teutémbong siak-siak tim-buru. Ngaku lanceuk téhéstu kawas ka dulur pet kuhinis. Tara asa-asa salakitéh mun nyaritakeun ka -teungeunah di pagawéanatawa di kulawargana.Barudak gé miuwa téhnyaan. Kabéh arogo, komosi Bungsu mah sok hayangdilalahun ari manéhna kaimah téh.

Teu nyahoeun kitu? Etalalaki téh apan deungeun-deungeun haseum. Lalakinu teu weléh aya dina hatékuring. Ngan kuring so-rangan di imah mah, nuteu ngaku manéhnalanceuk téh. Kabéh adijeung lanceuk kuring, kitudeui salaki jeung dulur-du-lurna, teu asa-asa milan -ceukna téh. Keur kuringmah manéhna téh leuwih

ti sakadar lanceuk, nungawasa rasa nu teukungsi pancakaki téa. Tapilain salaki deuih, damanéhna gé teu ngakukuring pamajikanana.Manéhna lain salaki ku -ring. Kuring lain pama-jikanana. Kabogoh? Ah,déét teuing. Kabogoh mahtelenovela, mun lagu mahlagu pop nu ukur ngolébatsabéngbatan, ukur ngali-wat saliwatan.

Kuring—saruamanéhna gé—teu kungsimanggih kudu kumahanyebutna. Semet paaduteuteup. Kitu gé tara nga-hanakeun. Sarérét, malahsagurilap. Genclangnapanon manéhna bet sigatalaga nu lébér maseuhanrasa. Sok asa ngapungngawang-ngawang, padu -duaan. Ngan sakotéapgeus anjog deui ka panga-pungan nu tadi, ka alamnu saenyana. Kuring kakuring nu lain nanaonmanéhna.

Dosa? Enya! Rumasamidua haté antara salakijeung manéhna. Tapi dateu kungsi ngijing sila.Salaki téh keur kuring mahsagala-galana.

Teu béngkok teu céda,miasih salaki téh asa to-tomplokan. Sugan ayajorojoy ngéwa ka salakialatan aya manéhna. Teu!Teu saeutik-eutik acan.Komo tepi ka boga niatngejat ti imah, ngahijijeung manéhna onaman.Teu! Lain bohong, cankungsi ngalakukeun nu teuuni jeung manéhna ditukangeun salaki. Dibaid-keun pisan! Embung. Ku -ring embung ngotorankaasih salaki ka kuring kukalakuan nu nirca. Kitumanéhna ogé ka pama-jikanana—cenah. Enyaceuk manéhna. Sarua

deuih, kuring jeungmanéhna embungngiruhan talaga asih nucanémbrang hérangsalalawasna, nu sok dipakélalayaran ku duaan.

Jauh pisan umur ku -ring jeung manéhna téh.Basa kuring asup ka SMAtéh manéhna mah geusréngsé kuliah. Mimitina géharita. Teu resep kanapangajaran basa Kawi téh.Sarua jeung babaturan sa-géng. Nyebut ka guruna gétara ngaranna, Si Kawi,mun teu Pa Kumis gé.

Kétang lain ka guruna,teu resep téh kana panga-jaranana, hésé. Teu apal-apal. Ongkoh cék pikir,keur nanahaon maké dia-jar basa Kawi sagala. Moaldipaké sapopoé. Keun wésina dalang atawa calonahli filologi nu diajar basaKawi mah.

Ari ka guruna mah, ah,maskét wé meureunpibasaeunana téh. Disebutmibapa, asa teu pantes.Milanceuk? Asa aya nuleuwih ti adi ka lanceuk.Bogoh téa kitu? Piraku, dajauh tanah ka langit apanumur gé. Teuing, da beukilila asa beuki deukeut.Remen paduduaan, ari ayaacara di luar téh. Sakare-sep atuda, sok lalajo téater,pintonan musik klasik,atawa paméran lukisan.Deukeut wéh, malah maké‘pisan’ deuih deukeutnaogé.

Babaturan pangpangnasobat sa-géng, teu asa-asangajejeléh téh. Nyara-hoeun meureun, atawakarasaeun boa, kuringjeung Pa Adi téh ayananaon. Si Eli mah nye-butna gé, “Si teu bogararasaan. Si teu ngukur kakujur, Si teu ngarampaangen sorangan. Sidik bo-gaeun anak pamajikan,

hayoh diléndotan. Kawasnu euweuh deui lalaki.Daék dicandung kitu Iyéttéh?”

Teu diwaro. Nyaho,malah boa leuwih nyahokénéh sorangan batanmaranéhna. Nyaho, Pa Aditéh geus bogaeun anak pa-majikan, malah tiluanakna gé. Nu cikal geusparawan, sahandapeunkuring tilu taun. Wawuhdeuih ka Téh Nana gé,enya pamajikanana. Sokngobrol da sok tepung ariaya acara, mun diajak kusalakina. Henteu ari min-deng pisan mah babaren-gan jeung pamajikananatéh. Kuringna deuih, sokrada teu méréan. Cenah,cék salakina, Teh Nana téhkungsi timburuan ka ku -ring, pédah deukeut jeungsalakina. Boa kétang, kur-ing nu sok rada ngahéab,ari manéhna paduduaanjeung pamajikanana téh.Teu kaharti puguh gé,naha maké kudu panassagala, pantes rék ku -maha-kumaha ogé dapuguh salaki jeung pama-jikan. Balik-balikanan ku -ring, der nempatkeun hatédi antara dua haté nu di -beungkeut ku tali asih, di-tandaan ku walimah.

Manéhna deuih, abonglalaki. Geus kurenan sakitulilana, hayoh ngadeukeu-tan kuring. Kituna téh bariangger hirup runtut rautjeung kulawargana barikatémbong sakitu bagjana.Teu puguh deuih, saukurngulur jeung narik munmaén langlayangan téamah. Sugan pok, manéhnabogoh ka kuiring lantaranteu manggih kabagjaanjeung pamajikanana.Teusing.. Jempling wé,ayem tengtrem wé. Boa,

Page 20: Mangle 2464

Manglé 246420

enya sakumaha caritaanbabaturan sakelas téa,lalaki mah kituna téh ukursaulineun. Jajauheunmaké gedé wawanén, nye -rahkeun pamajikananaterus ngarangkep jeungkuring. Hayam lamba,ngéplék jawér ngandarjangjang, kuméok méméhdipacok. Padahal mah karidatang ka kolot, pok méntakuring.

Tapi kétang, da ku -ringna gé teu boga niatngarebut manéhna ti pa-majikanana. Dicandungembung deuih. Sanajancenah, awéwé mah em-bung sotéh dipangnyan-dungkeun, ari dicandungmah daék sanajan dijieunnomer tilu nomer opatogé. Kuring mah teu kitu,teu hayang boh dipang -nyandungkeun boh dican-dung. Teu purun bogamaru. Geuning daék ari di-paké saulineun mah? Enyameureun keur saulineun.Tapi sakitu mangtaun-taun babarengan, boh ku -ring boh manéhna, teuboga niat ngotoran asihduaan ku laku lampah nunirca, nu diharamkeun kuagama. Bararaid. Teumanéhna mah, lain lalakinu resep ngulinkeunawéwé. Mun téa mah enyamanéhna asih ka kuring,asihna téh éstu caném-brang hérang, teu dibare -ngan ku niat ngiruhan

Basa kuring ditanyaanku Kang Ajat, bapamuntang ka manéhna nunarima téh. Kitu deui basakawin. Manéhna nunarima seserahan ogé.Salaki, sugan témbongsakotrét wéh timburuan kamanéhna. Malah milan -ceukna téh nyaan. Lainngan sakadar mamanislambé. Mupujuhkeunpisan, asa leuwih ti kuring,

kanyaah ka lalanceu -kanana téh.

“Kang, tong mulihsaban dinten atuh ti kantortéh,” cék salaki kamanéhna basa ngariung ditengah imah pasosoré.“Capé ngadugdag sakitutebihna. Di dieu wé kulem.Aya paviliun kosong. Badédi luhur, mangga, mungsareng barudak di luhurmah. Saminggu sakali wémulih mah.”

Didugdag ari ngajartéh. Imahna di kota séjén,kana mobil, nyupiran so-rangan. Sakapeung sokkana karéta api. Ari kanakaréta api mah, isuk-isuktéh sok nyimpang ka imah,ngadon mandi, da tepinasok rebun-rebun kénéh.Lar-bek kawas ka imah ku-lawargana wé. Barudaksok kacida aratoheunanamun manéhjna datang téh.Teu daékeun ari diandegsina mondok mah kusalaki ogé. Kaharti atudaboga kulawarga. Pirakumeureun ditinggalkeunmondok moék di baturbari sasatna di imah urutkabogoh. Inget ka dinyasok nyel ambek, panasatuda. Saban poé teuweléh babarengan jeungpamajikanana, ari kuringdiantep! Har, cék hatékénéh, apan di dinya gékagungan carogé. Bongansaha ngahéroan salakibatur. Urut! Urut kabogoh.

Urut sotéh cék batur,da ari cék haté soranganmah, manéhna téh lainurut kabogoh. Ti haritatepi ka boga anak geussakitu galedéna, da asaangger. Talagana étakénéh, cai nu canémbranghérangna éta kénéh,ngagenyas kénéh. Nu lala-yaranna ogé angger, ku -ring jeung manéhna. Teukahalangan ku asih salaki

nu sakitu ngagulidagna.Teu kapegat ku umur nubeuki nambahan, ku kulitnu mimiti karenyod, kuhuntu nu geus sababarahahiji ninggalkeun gugusi.

Méh saban rérés solatsok ngadoa sangkan nunyangkaruk dina jajantungtéh leungit. HapuntenKang Ajat, salaki jungju-nan ati, rumaos miduahaté. Rumaos deuih, teutiasa mupus asih nu napakdina ati. Duh, Gusti mungAnjeun anu uninga.Nyanggakeun sadaya-daya. Can diparengmeureun mumuntang téh,da ari keur nyoranganmah, boh di imah boh dijalan, manéhna deui wé numinuhan lamunan téh.

Kungsi pajauh, basasalaki dioper ka kota séjénnu kawilang anggang.Ngahaja teu ditelepon-telepon. Aya telepon atawasms ti manéhna tara di-waro. Ngahaja ngarahpoho, ngarah haté kuringtumplek keur salaki.Manéhna gé kawas nusurti, teu ditémbalan mah,tara nelepon-nelepon deui.Pleng wé. Rada kabang-balérkeun, da saban poé ri-weuh kudu nguruskeunPKK téa, Dharma Wanitatéa, ongkoh ku tara tepungtéa meureun. Teu lila, ukurdua taun. Salaki kudubalik deui ka kota asal.Atuh amprok deui jeungmanéhna. Tapi bakat kuterus dibangbalérkeunmah, sanajan kungsitepung ogé, teu cara béhditu-béh ditu teuing.Malah nyaan nékad, rékbakti ka nu jadi salakikalawan haté nu gem-bleng, teu kabauran ku nulain-lain. Da masing kalah

kumaha lantipna ogé, moburung kapanggih, kuringmidua haté sakitu lilana.

Bisa lah. Piraku makéteu kuat. Apan boga salakinu sakitu nyaahna. Sagalarupana leuwih onjoy timanéhna. Boh rupana bohpakayana. Naon kurangnasalaki téh? Naon leuwihnaari manéhna? Kang Ajatnu unggul, dina marebut -keun tempat jero haté ku -ring téh. Ngan moal aribébéja mah ka Kang Ajatinggis kalah wowotan.Sieun salah tarima. Men -ding sidem terus tumpur-ludeskeun rasa nu ayapuluhna taun nyangkarukdina jajantung téh. Arimanéhna mah pastisurtieun. Ku kuring teudisanghareupan ogé pastibakal karasaeun, kuringmegatkeun tali asih nunganteng téa Ayeuna, geushirup lalagasan, geus jadiranda, kuduna mah karipruk. Piraku manéhna génolak ari kuringna geusrarandaan mah. Kari nalékwé, naha rék nyerahkeunpamajikanana terus kawinjeung kuring atawa, atawa,atawa rék ngadua. Tapi,teu kitu. Kuring hayangnémbongkeun ka saréréa,pangpangna ka anak jeungka urut babaturan sakelas,kuring jeung Pa Adi, eu-weuh nanaon. Moal rékngaruksak rumahtanggabatur. Dipaheutkeun dinahaté, kuring rék ngakulanceuk ka manéhna, carasalaki jeung dulur kuring.Ongkoh kuring teu bogalanceuk lalaki Jukut riut digigireun pajaratan KangAjat, daunna ngariut ka -oyagkeun ku nu datang titukangeun. Kuring mahkaasup nu miahéng kana

NNyambung ka kaca 38

Page 21: Mangle 2464

21Manglé 2464

CCarita Pondok

Pasosoré,gégéléhéan ditéras hareup.Buku panga-jaran Basa Ing-

gris jeung Quran-Haditsbalatak, asa horéamkacida ngerjakeun PR,tugas ti Pa Ahmadi jeungPa Mamat Saepul Kodir

téh. Ah keun da kauntup,ceg kana pulpén, golédagnangkarak bengkang.Panon nyawang kanalalangit. Mungguhing

lelembutan mah asruk-as-rukan ka wengkon sakola.

Ratug jajantungdibarung seseblakan hatégeus teu kacatur. Malah

Marékplékan Purnamadi Langit Yamisa

Carpon Emha Ubaidillah Bratalegawa

Page 22: Mangle 2464

Manglé 246422

béh dieu-béh dieu betnyirisit lir hinis dipaut tinahompétan kélék. Geus duaminggu mihapékeun suratkeur manéhna nu ceukkuring béntang Yamisa,adi kelas kuring. Lebengteu embol-embol balesan.Ana kieu mah aing téh di-tampik téa; nyeri, keuheul,kesel, ambek nyedek barimulek.

Gepluk nangkuban,gutrut nulis sajak perjo -angan meneran nyang-hareupan agustusan. Sokpada mesen ku barudakkarang taruna di lemburatawa ku panitia agustu-san di sakola. Kabayangtingjelegur, dar-dér-dorbedil, trong-trang paka -rang, pating garoak patingjarerit. Gorowok ‘hofer-dom’ jeung gorowok‘merdéka atau mati’saweur, blag-blug korbanaduglajer nemahan pati.Pating beretek para ru-maja putri setélan bodas-bodas muru nu taratu,mulasara pajoang anugaruyang getih. Ké ké ariitu saha nu rancunit pang-hareupna, dijilbab deuih?Beu, gening si manéhna.Alah tong ka dinya Eulis,énggal nyumput kanacubluk! Kuma munkasérémpét telebek?

Nulis sajak kandeg dailhamna ngadadak pered,kaburu watir.Blaknangkarak deui, pangang-guran ningalian buleudangambar batik dina inter-nit, nyéh aya nu ngage-lenyu. Deuh mani ka reu eut! Bari ngagurinjaltulisan sajak diilo. Bedultéh, na bet jadi MarlinaKutunggu di Tapal BatasPan bieuna mah Toha Ku-tunggu di Tapal Batas.Keretas HVS dipang-péngkeun kana carangkaruntah, bluk nyuuh. Lin,

mani ngaganggayong kieuka Hadi téh, pami nampi,nampi atuh. Paminampik...les teu inget dibumi alam. Lilir-lilir SiSardan adi kuring ngage -botan sirah ku anggelbutut, ti tukang wéh in-dung kuring jéjéréwétan,

“Na kabina-bina teuingHadi manéh téh, geussakieu buritna ngadonkérék di tepas imah.Angguran gura-giru ka caikituh. Asar sakeudeungdeui gé béak!”

Koréjat hudang barinalipak bujur Si Ramdan.Brus wulu, cong solat.Punduk mah asa ku beu-rat, kateuing naon nungadaplokna. Wanci sa -reupna, sarérés sambéangmaghrib, babaturannyalampeur; Si Kartobi, SiSaboni, Si Iyas Fasya ngannu alpa téh Si Oleh Sujanacenah geus tiheula datanagana dibutuhkeunkeur kukunjal.

“Jiga nu kurang vita-min manéh mah Sarhadi?Hayu siapkeun lah! Urangindit ti awal kénéh amehbisa kutrak-ketrék !” ceukSi Kartobi, kurunyungdeuih Si Ahmad Sobaritilembur peuntas.

“Tah Obar ningan?Tuh tempo Si Hadingadon teu gairah kitudeuk maleman kreasi téh!”Iyas Fasya ngarindat ka nun anyar datang nu lajungalacat kana téras.

“Na can dibales suraténté téh ?” cenah ngaharé-wos ka kuring, kuringgideug.

“Paingan atuh!...ehhampura !” Si Ahmad So-bari neruskeun, kuringngoréjat.

“Naon kitu, Bar?”“Surat énté anu dititip-

keun ka urang téh sabe -ner na mah direbut ku Si

Eep cenah deuk dibikeunku manéhna bubuhansakelas!” bari gék dinakorsi. Nu séjén patingkulinting di buruan kawaskeur ngarala jangkrik.Nampa béja kitu, kuringukur melengék. Beuki teunapsu deuk ngahadiranpanggung kréasi di sakolatéh, teu kabayang nyerihaténa ningali si manéhnageugeuleuyeungan reu -jeung lalaki séjén.

“Matak gé, méh puguhbulé hideungna, yu gan-cangan dibaju. Urang kasakola ayeuna!” Si AhmadSobari ngaburu-buru, ku -ring gideug.

“Mani lénglé nya ari SiSarhadi. Geuwat atuh!”SiKartobi nyelengkeung.

“Heu, meunggeus atuhlah putus semet dieu soso-batan téh!” Ahmad Sobaringajéngkat.

“Satujuuu!” témbal anudiburuan bari tinglaléos.Awahing ku reuwas kuringngagaclok tina korsi. Kélaanan ari tepikeun ka pegatsosobatan mah.

“Dagoan atuh euy!”Beretek ka enggon. Rapkaos, sup levis belél, blusjeket parasit hideung,“Ma, mangkat yeuh!” teununggu waleran ti indungnu keur wiridan, becir wéhngudag Si Ahmad Sobarisabatur-batur.

Lebah gapura jalan kasakola, geus noyég ku nularsup.

“Had, Hadiii!” titukangeun gapura, soraanu nyalukan.

“Itu Tutih ngageroan,sok totorékan kitu éntémah!” Si Ahmad Sobarinepak taktak, nu séjénnageus bur-ber ka manamah. Gok jeung barudakawéwé babaturan sakelas.

“Adeueuh, nu baru ja-dian yeuh!” Apiyani ngaje-

bian, Nursati ngelélan.“Mani engga bilang-bi-

lang nya?!” témpasNunung urang Lémbang.Ti tukangeunana Si NyaiJubed adeuh-adeuhan. SiSaadah mah manyun wéh.Kuring kalah cudag-cideug,

“Maniii, ka mana waésih? Diarep-arep ti sorékénéh!” ceuk Tutih urangBojong Maris sanggeuskuring di hareupeunana.Dikitukeun ukur nyengirwé, leungeun pakupisngekesek golep ala Duran-Duran. Asa teu narapsungobrol jeung Tutih téhbawaning eusi dada anuteu puguh rurupaanana,gentak malik deukngaléos.

“Eeeh aya titipanyeuh!” ceuk Tutih, kesel ji-gana mah. Kuma karep ahceuk haté. “Ti Marlina!”ceuk Tutih deui. Gebeg!Pelentung jeroeun dadaaya bulan mabra pisan.

“Dieuh Tut!” réplékawak malik. Tutih jebi su-lusup ngasupkeun lipetankeretas kana keupeulanleu ngeun kuring. Bulandina dada enyoy-enyoyan.Suku ngaléngkah gancangjeroeun ngagimbungnajalma-jalma. Kuliwed kapipireun warung CeuKokom. Bray surat dibuka.Ambuing, teuing ku seu -ngit. Bulan ajol-ajolan,sagaclok-gaclokeunmecleng ti jero dada.

“Lin, ayeuna badétampil. Upami Hadi teunongton, wios bedo wé.Teras saupami Lin tosréngsé, mugia kersa ngan-tos di téras bumi MaOpoh. Wassalam Mar-lina.”

Bray, caang padangnarawangan. Bulan antengngahénén, nyelegon dinakokombongan rasa. Rut-

Page 23: Mangle 2464

23Manglé 2464

rét sugan kasampak SiAhmad Sobari, lapur.Kalah gok jeung Si ketuaOsis Nana Karpia.

“Hadé euy sajak didinya, teu nyangka betboga bakat jadi bujangga.Salut lah!” pokna bari nga-cungkeun jempol, kuringrungah-ringeuh, “Ayeunagé sajak di dinya deuk di-tampilkeun. Lin Marlinaanu macakeunana, budakmanis kelas dua”, cenahpokna deui bari ngagidigka lebah panggung.

Suku hideng nu-turkeun. Kabeneran teupati lila nungguan pidang -an vokal grup gabungankelas dua jeung kelas tilu.Nu ngagitaranana Si UcayJamal urang Cidalimamaturan Pa Nanu Miharjaguru kasenian. Inget wéhsababaraha waktu katukang, cenah ceuk PaNanu Miharja, kuringkacida poténsina ngéléh -keun bujangga anom SoniFarid Maulana béh ditunaWS Rendra. Nyao teuing.Teuing enya teuing lakarnyungkun.

Seselendep wéh di an-tara para panongton.Maksud deuk setor be-ungeut. Ana teup paspisan pateuteup, nyéhimut. Keleter. Bulan dinadada melendung teukawadahan. Peleteng kaawang-awang. Mun teuasak kuda-kuda warahanAki Amin Parungserab,meureun geus ngajong -kéng kuring téh. Daékmedu ku kareueut étaimutna. Na tungtung vokalgrup, manéhna ngagalin-dengkeun sajak; Toha Ku-tunggu Di Tapal Batas,kuring kuram-kireum so-rangan. Sadar-sadar geusdiuk gigireun manéhna,sedeng Tutih paréndéngreujeung Si Kusmarwan di

juru tebéh katuhu.Kadéngé cicirihilan,meureun keur dipangdo -ngengkeun sakadangkuya.

“Nembé katampi siangtadi da serat ti Hadi téh!”ceuk manéhna mukaobrolan. Di langit bulanangkleung-angkleungan,renya-renyu ku cahyananu endah warnaningtyas.Gamulengna maturankabagjaan, imut maneuhnu teu kaselap camérongmurukusunu.

“Na bet tiasa kitu pantos dua minggu ti Hadinamah?” ceuk kuring barineueulkeun gado kanaembun-embunanana,geugeut téh. Selengsengseungit malati.

“Pan terang ku anjeun,si Eep mah gaduh pa-nyawat limpeuran seta-dium unggul!” manéhnanyeuleukeuteuk rangu,“Eta gé bari tatalépa. TiEep diwiatkeun ka Edod,ti Edod ka Lili, ti Lili kaDadang Botrok, ti DadangBotrok ka Enjang Gagap,ti Enjang Gagap kaRokayah ti Rokayah kaNeng Nisa, ti Neng Nisa kaNyi Roro, ti Nyi Roro kaTuti Rohimah teras ImasRohimah teras ka YusniKurnia teras weh ka Tutih,nembé katampi ku Elin!”

“Beu!” kuring nepaktarang demi Elin Marlinamah ceuceuleukeuteukan.“Paingan atuh!” Manéhnangajembél pigeulang ku -ring, “Dupi anu masih -keun catetan sajak ka Elin,saha?” kuring nyusultepus bari ngagolékkeunleungeun. Kék malikngaranggeum pigeu-langna.

“Pan Oleh Sujana, kin-ten jam limaan. Ah hidengnyalira wé seratan Mar-lina-na digentos ku Toha,

bubuhan terang seuh-seuhanana!” manéhnangaliwey, némbongkeunbiwirna anu miyuniperemén ngucur, legitmeureun saluhureunmadu odéng.

Tilu bulan deuk éb-tanas aya ku bagja. Poé-poé kebek ku sulamansutra maniloka. Mun kon-gang hayang usul ka PaAde Yayan, kepala sekolahkuring harita, supayasakola téh dipanjangkeunwaktuna dua-tilu taundeuih mah. Piisukeun kaébtanas, katalatahan kuTutih sobat dalit Marlinatéa, cenah hayang ditemo-nan di juru alun-alunSoréang. Enya wé, tijauhna manéhna geuskatingali diuk nyoranganluhureun akar caringin.Seragam bodas-abuna ayaku sieup badis putri salju.Heu, kuring pangéranana,pangéran kodok!

“Lin téh kanggosababaraha minggu mahbadé wangsul heula.Kaleresan libur panjangdugi ka kenaikan kelas.Rupina moal tiasa lebet dasami program pondok géngiring libur!” galin-dengna sanggeus pa-heneng-heneng. Kuringngabetem, tikoro asanyelek. Ti unggal kios sadahaleuang Gelas-gelasKaca-na Nia Daniati.

“Widian atuh Hadi su-pados tiasa amengan kabumi Elin!” pok téhdareuda. Manéhna gideugantaré pisan. Rét ka beu-lah kulon, sakembaranmunara masjid agungSoréang kawas anunganaha-naha, pa-soléngkrah luhureunanasesebitan méga-méga ku-

lawu.“A...?” cenah tara-tara

nyebut aa, “Talungananteu tepang sakalian wésareng Aa téh. Pangintenmoal kagorés lalakon kata-langsara di antawis urangduaan.”

Ngan pok-pokan étaanu ngagulimbeng dinalelembutan. Ngagelen-drung minuhan rohangpanyawang bari lebeng teukabokér beungkeutan ru-siah anu mindinganana.Galindeng pamungkasméméh beus “Putra Setia”ngaléok dina péngkolanCibeureum ka Ciwidéy -keun. Poé-poé caliweuralalampahan rumaja ku -ring, lambaran beubeu-ratna berekah bisakasorang kalawan mulusbanglus satutas besétngalakonan ebtanas. Lam-baran mangsa téa jeungMarlina ngaheuyeukpangharepan nu beurangtangka ilang dangiang,peutingna ngagerihkeunkagigis. Malastrakeunwarna-warna ngajadi pe-teng gegeblegan. Ah Mar-lina, Naha bulan nu piassok kabeurangan téhbulan urang kénéh?

Basa keur ngariung dijuru kelas, basa Si DadangBotrok nyoo godrohna,Tutih mah ngaharéwoscenah Marlina engké deukmidang dina malemanperpisahan. Nyoy-nyoy,bulan nu spaneng setru-man deui, keteg jajantungdina layar EKG nu méh-méhan ngagurat, rérégéandeui, net net net!

Poé ka poé nying -kabkeun lambaranana,deuk bencing deuk hapapancénna teu bisa tume-tep, ukur opat likur jam

NNyambung ka kaca 38

Page 24: Mangle 2464

"Wayahna wé Maneuy. Karunya ka budakurang!" ceuk Idi ka Omanbabaturanana.

"Ih lain teu ngés-tokeun ka babaturan Di.Tapi apan heueuh kudungarempak luluhurCikondang lin?"

"Alaah... éta mahlalakon kolot baheula,tong dipikiran!" témbalIdi bari ngusiwel ngodokdompét. Golosor nyodor-keun duit.

"Tah pamanjer bisi teuboga ongkos keur rom-bongan."

Oman héjo nénjo duitkelir beureum sababara -ha lambar. Ras ka rom-bongan calung GentraMadya nu dipingpinna nugeus lila can manggungdeui. Témahna barudakcalung siga nu euweuhsumanget tatabeuhan dabeuki dieu arang nunanggap. Ayeuna geus di-ancoan duit ku Idi, babat-uran sakolana baheula nungumbara ka Cikondangsangkan manggung dilemburna, rék hajatnyunatan budakna.

Tapi aya sésékélananu kacida matak pugaglalampahan. Enya, Cikon-dang kawentar lembur nutara kasaba ku raraméan

atawa tatabeuhan sababcenah luluhurna geus ra-grag ucap di lemburCikondang mah teu meu-nang aya raraméan. Tongboro pintonan wayang nusapeuting jeput, dalahtubah-tabeuh alat kaseni -an wungkul gé teu meu-nang. Pamali, basana.

"Na moal nanaon?"Oman ngadilak bari leu -ng eunna agag-agagan réknampanan duit.

"Alaaah...na manisieun. Ceuk uing gé étamah carita lawas. Cikon-dang ayeuna geus raméku tatabeuhan. Aya TVaya radio, aya vidéo.Moal, moal nanaon.Pokona kudu datang!" Idinyundutan Oman.

Teu majar kumaha,antukna Oman nyanggu-pan, rék nyalung diCikondang. Dipikir deuida jeung saenyana atuhjaman kiwari geus robah,adat tatali luluhur lobanu dirumpak bari apandina emprona mah majarbisi kitu bisi kieu téh tayakajadian nanaon. Malahceuk wejangan ajenganmah percaya ka nu kitutéh kaasup pagawéansirik, kagolongkeuntahayul.

"Sagala rupa panteng -

keun kana iman ka GustiAlloh," saur ajengan dinapangajian nu kadéngé kuOman.

Nya saged wéh rékmanggung téa. Barudakcalung Gentra Madyadikumpulkeun.

"Nu bentul ieu téhbos?" tanya Si Ogin, jurubodor sakaligus purahngecrékan.

"Insyaalloh Gin," tém-bal Oman. Golosorududeun sabungkus.Ngan sakotéap bung -kusna geus rangsak, pare-but eusina.

"Moal nanaon kituKang maén di Cikon-dang?" Rohim, ki dalangcalung rada rumegag.

"Heueuh tadina mahrék ditolak najan urangpadabutuh manggung ogéda inget kana pacaduanurang Cikondang. Tapicenah budak Si Idi nga-dat, moal daék disunatanlamun teu nanggapcalung. Urang lahaola wélah...sanggakeun kaGusti." témbal Omannengtremkeun haté baru-dak.

"Ari Si Dédi ka ma -na?" Oman nanyakeun SiDédi, tukang kendang, nucan katénjo ngariung.

"Kana moal ngilu

sigana mah Kang." Nununu ngajawab téh .

"Haaar...naha?""Cenah keur teu gare-

nah awak, jelasna mahkatarajang bisul, heugdina bujurna pisan," tam-bah Nunu nu natanggajeung Dédi.

"Beu, mimiti yeuhsésékélan datang. Sahaatuh nu nyuluran ngen-dang? Manéh bisa Gin?"Rohim ngagonjak SiOgin.

"Naon héséna nabeuh,ngan moal ngawirahma.Asal neunggeul."

"Heueuh manéh mahari ngigel hayang ditepakkendang lincah, dipéntaadi jejebris," ceuk Nunu.Si Ogin jebi.

"Pan, énté wé nya?"Oman nitah Pandi nugeus taram-taram bisangendang najan canmahér siga Dédi. Pancénpokona mah Pandi téhtukang goong. Da kitu,goong jeung kendangmah ngajodo. Ceulitukang goong mah man-cona kana tepak kendangnu matak sok padeukeutgé. Bisa ngendang pastibisa ngagoongan. Hayangbisa ngendang kuduhatam heula ngagoongan.

Engké, nu pancén

Manglé 246424

PPuridingPuringkak

Nu HayangNabeuh Kendang

Ku Féndy Sy. Citrawarga

Page 25: Mangle 2464

ngagoong rék dicekelheula ku Oman, itung-itung ngamahérkeuntepak kendang Pandi.

Isuk-isuk kénéh baru-dak geus sasadiaan,mémérés bawaeun kaya -ning calung, kendangkumplit jeung kulantérnadua siki. Goong jeungpanakolna. Geus puguhdeui calung mah teutinggaleun. Nyi Icih, jurukawih, geus dicalukan.Saged rék miang kaCikondang. Peutingengké, malem Ahad nukaténjona mah cangra,rék manggung ngareuah-reuah nu hajat nyunatan.

Tabuh sapuluh geus

aya dina mobil, kolbakbogana Haji Dawud.Oman jeung Nyi Icihdiukna di hareup matu-ran Si Usup, supir. Nulianna aranjeucleu ditukang.

"Bismillaah...," gere -ncem Usup. Dihaminanku Oman jeung Nyi Icih.Geuleuyeung mobil maju.Na atuh karék gésababaraha méter, Usupngerém mobil. Reg eu-reun.

"Aya naon Sup?" SiOgin nalék bari nonggéngka hareup.

"Ban aya nu kempés.Tarururun heula. Bansaalus-alus naha kem-

pés?" Usup tiba gogodeg.Ngadéngé omongan

Usup, Oman mimiti teugenah haté. Ras ka Cikon-dang, ras ka Si Idi, ras kaSi Dédi.

"Aya-aya baésésékélan téh. Geus moalboa aya nu heureuy,"ceuk Rohim.

"Heueuh kawasnamah," ditémbalan kubaturna.

"Lah buru tarurun,anggur bantuan Usup!"Oman ngahuit najan dinahaténa mah manéhna gémimiti curiga.

Usup néangan bansérep rék ngaganti nukempés. Gebeg, tétélaeuweuh di tempatna.

"Alah aing mah bansérepna euweuh!"

"Na ka mana?""Gin, sori euy

pangnéangkeun heula kateun Pa Haji, bisi enyatinggaleun, uing rékngabongkar nu kempés!"

Kencling Si Ogin kaimah Haji Dawud. Enyabaé ban sérep téhtinggaleun, poho taksirantas ditambal teu dipasangdeui di tempatna.

"Untung kempés didieu, cacak mun di te -ngah toangan matakbangkar," ceuk Omansemu ngupahan.

Sanggeus ban sérepdipasang, geuleuyeungmobil maju deui. Radamengpeng da puguh jalanalus. Ngan geus béaklembur saterusnamapay jalan leutik nu kaCikondang, lembur nuaya di sisi gunung, Usupmimiti mindeng ngidekpedal erém bari teucileureun bisi aya kaja-dian nu teu dipiharep.

Langit nu asalna béng -ras, kasorénakeun nga -dak-ngadak hieum kupihujaneun. Da jeungsaenyana, ana breg téhhujan. Atuh eureun heulamasang terpal.

Geuleuyeung mobilmaju deui, rada ngeyetedngajaga jalan leueur. Numatak teu anéh munwanci magrib kakara tepika imah nu boga hajat.Hujan ngecrek kénéh.Dibantuan ku urang

25Manglé 2464

NNyambung ka kaca 40

Page 26: Mangle 2464

CCarita Heubeul

Urusan imahgeus teumikiran,masa bodolanceuknabaé, pokna

gé hayang jongjon makaya,cenah, kuring mah nyahodahar nyaho maké. Najansakitu popohoanana digawé,ari kana salat-ngaji mah teununda, dalah keur aya dileuweung ogé dibélaannéang an nu rada negla. Kaawéwé bangbaungeunana téhenyaan, jaba ti ngomongsaperluna jeung Enok Dioh,ka Nyi Epoh gé batur saimah,carang saminggu sakali nga-jak ngomong ari lain enyaanperlu mah, padahal Nyi Epohtéh masing teu ngabaranyaycara Nyi Rapiah ogé, arijeung pantaran Agan Sarin-ingrat mah wanieun silihbeubeut, cacakan diganda kupakéan marahal mah. Kawasbener ceuk Enok Hapsah: teumustahil Nyi Epoh téh ti di-tuna boga kocoran ménakBanten anu makidulan, étaku béda rautna ti awéwé

pakidulan ilahar. Jeung étadeuih daweungna, bangunlaludeung tur teu aya saridusun naha duméh atikannyonya kontrolir atawaduméh aya teuteureuh ti ka-sultanan? Ari punjulna étamaké bisa maca-nulis najanteu lancar jeung teu alus gésakadar ngabédakeun A tinaB mah lumayan. Ari ngajiceuk Ibu Haji Ubeng jeungIbu Haji Banisah nu kungsirada lila nyaba ka Serangjeung jaman di Mekah sokpagalo jeung jamaah ti Ban-ten, sejakna téh aya sejak Ka-suniatan, pangajian paraputri Banten.

Tapi éta kabéh ku UjangKusén anu kapok ku awéwé,teu kanyahoan, tujuhananakeur husu kana mulihkeunpakaya kolot jeung dulur,duméh asa boga hutang.***

12Hjii mangsa dayeuh Ban-

dung oyag moyeg, ku jelemaanu midang, balawiri ngaler-ngidul anu entas ti Tegallegaatawa nu ngajugjug ka ditu

sabab ti mimiti poé éta nepika pagéto-amat di Bandungaya ngadu kuda.

Geus biasa ti baheula, diBandung mah lamun ayangadu kuda téh jalma-jalmasok maridang cara dina poélebaran. Mangsa éta dayeuhBandung sok kaseundeuhanku tatamu ti jauhna, aya nu tiSurabaya, Samarang, Cilacapjeung ti peuntas sagala. Ayanu ngadon lalajo baé, nungadon ngadu, nu ngadon tu-mangan jeung ... neangan nugareulis. Salilana ngadukuda, di rumahbola “Baraga”rame ku nu ngadu, nu dang -sa, jeung nu ... mabok. Nyamangsa éta aom-aom, anom-anom jeung babah-babah réaanu ngumbar napsu téh.Panonoban-panonoban, bohanu maké lantéra beureum,boh nu bunina model imahNyi Dampi, mangsa éta jadipuseur masiat jeung kado-rakaan anu pupuasan!

Di juru kalér maderumahbola Baraga, AnomLuih nu keur selang-selingmabok arak, keur ngabuihnyarita jeung hiji Walandatoto, ngora kénéh pisan, diBandungna gé kakara tilubulan, tacan réa nu wawuh -eun. Bubuhan ka papada

ngora jeung keur mabok, nudicaritakeun téh nya babawéwé. Anu diajak nyaritahenteu mabok teu nundutan,haripeut pisan nyanggapnacarita Luih téh. Nu disanggapasa dipiheueuh, komo barangéta Walanda toto nyanggu-pan, mangmayarkeun inu-man jeung keukeuh hayangdipapatahan petana lacurmah, Luih téh asa dipiguru.Paralak baé rasiah-rasiahimah Nyi Dampi dibudal -keun. Ku Walanda toto téadicatet ngaran-ngaran awéwébalangor nu sok ngadon“nyumponan pesenan” diimah Nyi Dampi, sabab bisiperlu “mesen” cenah.Sawatara “langganan” ogé di-catet, sabab bisi pareng am-prok-pasurandong ulah nepika ribut pasea jeung dulursakasur pokna mah. ImahNyi Dampi nepi ka digambarkarna, lebah dinya imahna, dihareup aya naon, di katuhuaya naon, di kenca, di pipir,nepi ka sasak bobo luhureunsusukan di palebah jalan“panglumpatan” oge ku etaWalanda toto digambar,sabab magar téh bisi nyasablamun rek ka imahna.

Bangun reuwas, Luihngaharéwos: “Lamun hayang

{ 33 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 246426

Page 27: Mangle 2464

ka Nyi Rapiah, bentang Ban-dung kudu cara kuring, kaNyi Dampi ngeupeulan heulaR 25,- ka jinisna mun tas pe-lesir saeutikna R 50,- mahulah poho. Teu panasaranmiceun sakitu téh, batur mahaya nu R 100,- Isukan, antarapukul 10-20 saréréa tangtukumpul, sabab geus barogapasangan, “dipesen” ti kamarkénéh.

Walanda toto bangunhanjakal: “Beu, matak han-deueul, tah. Kuring sajauh-jauh ti nagara Walandaneangan kahirupan di dieu,heug teu ngalaman kasukaanka nu geulis urang dieu, leuhhanjakal ... aeh, nginum,sagelas deui nya! Kuring getukang nginum, tapi sakaliieu mah keur boga kasakitbeuteung, ku doktor dicaram... ah, jeung botolna sakaliannginum nya, itung-itungngawakilan kuring nu keurdicaram ku dokter.

Geus tetela Luih selang-seling mah leos eta Toto téhindit ka kantor pulisi. Ari si-horeng eta téh Aspiran Kon-trolir, budak saleh pisan,tuhu kana agamana, taralacur tara nginum, malah di-tarikna ku residen ka Ban-dung gé diantaranadipapancénan ngabasmi pa -ngaduan gelap, centeng bu -nian, pamadatan poék jeungsapapadana.

Lantaran nu enggeus-eu-nggeus mah ari rék ngagere-beg imah Nyi Dampi téh sokgagal-gagal baé, duméhrasiah bitu manten, sakali ieumah tatahar téh pohara dira-hasiahkeunana. Agen-agendippilih, teu nyokot nu baretomoyodok, kabeh sina nya-mur, aya nu jadi padagangsaté, nu dagang oncom,borondong jeung jaba ti éta,Lebah sasak butut “pang -lumpatan” téa, masangsawatara jalma nyamur jigakuli jeung mandor nu ngi-likan sasak bobo, rék dio -méan. Waktu jeung tandakabéh geus diatur.

Isukna antara pukul 10

jeung 11 di imah Nyi Dampigeus kumpul: Agan Lilis, NyiRapiah, Nyi Salmah, NyiSinta, Nyi Munigar, NyiDuyeh jeung Nyi Cucu,kamar anu laleutik tapi bare-tah garenah téh araya eusianbangsa petingan-petinganBandung bae, minangkapanggoreng-patutna téh NyiJule, kitu gé wanieun kénéhbalap ari jeung sekarkadatonnu saumur jeung manéhnamah.

Nyi Dampi harita didapur nyorangan pisan keur

nilep-nilep lambaran duit“ladang” nu tujuhan téh maniR 150,- nincak R 20,-saurangna, ti semet NyiRapiah nu panjerna R 25,-nepi ka Nyi Jule anu ngan R10,-

Éta téh sakali “ngalada -ngan” mangkaning isukanjeung pageto ngadu kuda téhaya kénéh. Anom-anomjeung babah-babah ti ja-rauhna sakitu raroyalna, pe-senan méh teu kaladangan.

Ari nu matak ngitung didapur, ku saréréa ogé tangtukaharti, lamun di patengahanmah moal jongjon, bisi aya“nénéng” atawa “agan”ngadadak bijil ti kamar, heugéraeun. Manéhna pribadingara era milang ladangkatenjo ku dagangan mah.Ari rek di kamar puguh

kabeh kamar “areusi” malahkamarna pribadi kapaksadisadiakeun geusan Nyi Jule,dibelaan sorangan mah didapur.

Ari dapur tea, ngarannage dapur heug ieu mah laindapur gedong; dina galar téhmani paragpag botol jeungkaleng wawadahan; neun -deunna darapon sok sangeu-nahna bae.

Nyi Dampi diukna téhdina bale-bale heureut, dadapurna ge teu lega, nyasarundek nya rarupek, da la-

hana beakkeun ku dijieunankamar. Dina malebahansirah. Nyi Dampi, aya kalengjeung sawatara botol tea dinagalar. Ku Nyi Dampi teukatiten yen nu neuduenkaleng téh pohara gaga -bahna, katoel saeutik bae gengagolenceng, bahe,mangkaning eusina pa -ngeurihan minyak tanahparanti ari ngajadikeun se-uneun.

Nyi Dampi teu barang-pirosea, da katungkul ku mi-lang duit, estuning keurbalangah pisan, da pang -rasana aman, moal aya kitu-kieu.

Sabot kitu, padagang-padagang palsu geus arabus,sasak panglumpatan geus di-jaga, panto imah Nyi Dampiopatanana geus para nincet.

Hiji mangsa, titit sorasurilit, tiritit deui nu narem-balan meh bareng ti opatmadhab, nu jauh nu deukeut.Ngan sakilat padagang-pada-gang tea geus pating jarega diunggal lawang bari sadiagegendir pulisi, saperkara mi-nangka ciri kapulisian, ka du-anana memang geusdiparentah, lamun palacurboh awewe boh lalaki aya nulumpat, hade peupeuh bae,tapi ulah nepi ka ruksak.

Nu di jero puguh baerareuwaseun mah, tongkore-jat tinggurubug ngadengesurilit pulisi sakitu ramenatur geus deukeut pisan,malah sada geus arasup. Luihkawasna henteu keur ka-palang cara nu lian, norojol tipanto, ngajingjing sapatu,ngelek jas, nu maregatan téhditeumbragan cara budakneumbrag leuit, nyorobotnuju sasak butut pang -lumpatan tea, ma’lum lumpatnu sieun teu pati barang-awaskeun, lebah sasak téhborobot, gubrag tiporos,dengek ngajerit aduh-aduhanbari meumpeunan panonkatuhu, getih ucur-acar tinasela-sela ramo. Sihoréng ka-sogok ku awi pipitesan sasaknu peunggas.

Ari Nyi Dampi, baringoréjat téh bawaning kaget,nyenggol minyak tanahparanti ngahurungkeun seu -neu tea, diwadahan dinakaleng susu molongo, dinagalar dapur, blok bahe tilebah cangkeng ngalemberehmapay sarung. Memehmabur kaburu ngarawu duitheula diabuskeun ka jero ku-tang. Kuliwed ka pantokamar mandi, bray kaluar tipangpok sasatna, da manisésélékét, salingker ka pipirtatangga; nu boga imah tassasapu di pakarangan, malahkeur ngasur-ngasur deurukanruntah meunang nyapuantea, meujeuhna nyeak hurungnu matak ditungguan ge, bisingalentab hateup.

(hanca)

27Manglé 2464

Page 28: Mangle 2464

Manglé 246428

Bagian

195

CCarita Nyambung

Peuting ka-236

Béda jeungAsad nu keurnandangantunggara,kaum Majusimah jarigrah

naker. Suka bungah lan-taran keur natahararkeunpoé karamat éta kaum.Biasa kituna teh, saban taunurang dinya miang ka gu-nung seuneu nu aya di peu-taseun lautan.

Pandita Majusi, Bahramcakah-cikih. Paparéntah,kaasup maréntahkeun ngu-rung Asad dina peti, seba -keuneun di gunung seuneutéa. Geus réngsé sapuratina,peti wadah Asad digotongdiasupkeun kana éta kapal.Geus kitu mah, kapal nga -geuleuyeung ka tengah lau-tan.

Lalampahan ka gunung

seuneu méakeun waktusababaraha poé. Matak, be-bekelan gé kacida lobana,pangpangna dahareun.Saperti biasa, tara sumpang-simpang heula lantaran tayakapereluan séjén lian ti sejamuja di gunung téa.

Poé kahiji lalampahantéh lungsur-langsar. Kapalnyuruwuk muru tujuan.Kitu deui peutingna, masihkénéh ngageuleuyeung luyujeung rarancang. Ngan,dina hiji soré pihujaneunreueuk sarta angin ngagele-bug. Kayaan sabudeure-unana beuki lila beuki poékpangaruh poé ngagayuh kapeuting.

Lian ti kitu, ombak gébeuki gedé nepi ka kapal téhinggeung naker. Atuh, najannangkoda kapal legok tapakgenténg kadék, nyangha -reupan kaayan kitu mah, teumanggapulia, inyana teubisa ngamudi kapal nu

balukarna kapal katambiaska tempat séjén.

Beuki lila kaayaan lautbeuki pikapaureun. Kapaldiombang-ambing kuombak. Dina kaayaan kitu,nangkoda kapal téh ukursabisa-bisa ngajaga kapalnasangkan teu tikelebuh.Sapeupeuting éta kapalkaumbang-ambing ombakkaséréd ka basisir hiji kota.

Nangkoda ngadatanganpamingpin rombongan.Nétélakeun kaayaan lalam-pahanana. Ceuk éta panga-mudi kapal téh leuwih hadényimpang heula di éta tem-pat bari sakalian nanyakeunarah nu rék disorangna.

Bahram panujueun dainyana gé ngarasa linglungteu nyaho di kulon-wetan.Atuh, kana kaayaan éta kotagé teu mantra-mantra acan,lantaran mémang kakaraharita ka lebah dinya mah.

“Kumaha atuh ayeuna?”ceuk Bahram.

“Urang tarurun wéheula,” jawab nangkoda.

Saterusna bisi kumahaonam, cenah, mending gé

Pandita Bahram disalinheula, maké papakéan nu li-ahar dipaké ku sudagar.Kudu ngakeukeun inyanapadagang nu biasa nga-jualan rupa-rupa barangkaasup ogé ngajual budakbeulian.

Kacatur padumuk lem-bur, ningali kapal lainwayah heraneun naker.Atuh, jul-jol wé ngadatang -an sisi basisir. Horéng, nuleuwih tiheula apaleun kanadatangna eta kapal mahprajurit karajaan nu biasangariksa éta patempatan.Papanggihanana langsungditepikeun ka pamingpinnanu taya lian ti Ratu Marja -nah.

Ratu kalayan dibarenganku prajurit nu samagréngpakarangna, ngajantengnyanghareup ka lebahkapal. Salah saurang praju-rit marentahkeun sangkannu aya dina éta kapal gan-cang ngadeuheus ka étaratu. Pamingpin Majusi teuléléda. Kalayan niru-nirusudagar, manehna kaluar tiheula, diiringkeun

Page 29: Mangle 2464

29Manglé 2464

sababaraha urang pangir-ingna. Tukangeun éta pa -ngiring, ngiclik Asad dibaba ndan saperti umumnabudak beulian nu rék dijual.

Raja tetelepék. JawabanBahram, tangtu wé lain nusabenerna. Cenah, manéhnatéh sudagar nu tas ngajual -an barang-barangna. Nunyesa téh ngan kari budakbeulian saurang.

“Saha ngaran anjeun?”“Asad, juragan!”“Bisa nulis jeung maca?”“Tiasa!”Ratu marentahkeun

pangiringna mikeun keretasjeung pulpénna. Diasong -keun ka Asad sina nulis. Teu

lila, tulisan téh geus ayadina leungeun ratu. Intina,ratu percaya, Asad téh lainukur bisa nulis jeung maca,tapi deuih boga pangweruhnu lain lulumayanan. Kitunatéh, kaciri dina syair nu di -tuliskeunana.

“Kula butuh abid kawaskieu. Sabaraha haregana?”ceuk ratu.

“Pangapuntén, nu ieumah moal diical!”

“Har naha?”Bahram nyieun rupa-

rupa alesan. Cenah,manéhna butuh ku tana-gana, komo deui apanlalampahanana téh kacidajauhna. Tangtu wé, butuh

nu ngawulaan. Tapi, Mar-janah keukeuh hayangngamilik Asad.

Najan teu diidinan ku nubogana, Asad dibawa heulaka istana, rék ditanya heulasapereluna. Cenah, munmémang kanyahoan ayapasipatan nu teu sapagodosjeung kabutuh manéhna,tangtu dipulangeun deui.

Pingpinan majusi teubisa majar kumaha. Ka-paksa ngidinan, kalayanhaténa mah miharep Asaddipualngeuk deui kamanéhna.

Heuleut sawatara waktu,Bahram narima surat tiRatu Marjanah. Eusina

nétélakeun, Asad disita kumanéhna. Malah, diimplik-implikan mun teu nurutkana kahayang ratu,sakalian kapal jeungbarang-barangna rek diram-pas dijadiekeun harta miliknagara.

Pingpinan Majusi teuboga pilihan séjén. Kapaksanurut kana kahayang RatuMarjanah. Da mun teu kitumah, tangtu wé bakal cilaka.Malah, lain ukur béakbanda, da teu mustahil,bakal keuna ku hukuman,mun teu dihukum pati ogé,dibérok mah tangtu. ***

(Hanca)

Page 30: Mangle 2464

Manglé 2464

BBahasan

Ayana wacana yén Lekra lainbagian ti PKI sarta Lekrajeung PKI téh dua organi -sasi anu béda, kakara mu-cunghul sabada Joebaar

Ajoeb (sekretaris Lekra) kaluar titahanan pamaréntah Ordeu Baru dinatulisan “Sebuah Mocopat KebudayaanIndonesia” keur ngabagéakeun KongrésKabudayaan IV dina taun 1990. Nu-mutkeun Joebaar, Lekra téh hiji gerakankabudayaan nu nganasional jeung nga -ra’yat, nu di jerona aya sawatara jalmanu jadi anggota PKI, ari lolobana lain.Ari PKI mah teges-teges partéy politik.Politik mah hiji widang téoritis. Sanajanaya katerangan panjang lébar, tapi tetepteu bisa ngajelaskeun éta kalimah.

Numutkeun Joebaar, kira-kira dinataun 1964 katompérnakeun, aya hijigagasan ti PKI nu disodorkeun kasawatara pimpinan Lekra anu miharepsangkan Lekra jadi organisasi bawahanPKI anu ogé boga anggota non-PKI.Lamun Lekra satuju kana éta gagasan,hartina Lekra jadi bawahan PKI, rék di-wawarkeun sacara formal. Tapi Lekra

nolak éta gagasan (Joebaar Ajoeb, “Se-buah Mocopat Kebudayaan Indonesia”,Inkultra Foundation Inc. tanpa taun. Kc61).

Kana éta wacana, Basuki Resobowo,salahsaurang tokoh Lekra anu dina ja-manna leuwih wibawaan batan Sekre-taris Umum Joebaar Ajoeb, ngabantahpisan. Nu dicutat ku Tempo tina suratnu dikirimkreun ka Joebaar, nétélakeunyén, “Basuki mah percaya yén PKI jeungLekra téh dua gerakan aksi nu sarua...Basuki nuduh yén Joebaar kompromijeung Soeharto.” (Tempo, 6 Oktober2013, nomer husus Lekra, kc 56). Sacaralisan, Basuki nétélakeun yén ku omong -anana kitu téh, Joebaar lélétak ka Soe-harto jeung rézim militér ABRI (Dinaobrolan di nagri Walanda taun 1990-an).

Dina Tempo numer husus téa,karasa aya kesan yén ti awalna mulaLekra téh misah ti PKI. Lekra lain bagianti PKI. Boh dina anggaran dasar Lekraboh dina anggaran dasar PKI, duananateu aya patalina. Hartina, anggarandasar Lekra teu nyebut-nyebut yén étaorganisasi kabudayaan téh bagian ti PKIsarta anggaran dasar PKI gé teu nye-but-nyebut yén Lekra téh jadi underbowPKI. Tapi sanajan teu aya réngkolna halpatalina éta organisasi dina anggarandasar sacara resmi, lain hartina antaraéta dua organisasi henteu aya hubungannaon-naon. Teu mustahil, teu dijén-trékeun dina anggaran dasar téh nga-haja, mangrupa taktik anu geus disa luyuan ti awalna. Teu kabéh organisasinu dianggap underbow PKI aya hubun-gan organisatoris formal jeung PKI.

BTI (Barisan Tani Indonesia), upa-mana, jelas yén organisasina mah lainunderbow PKI. Organisasina mah an-tara PKI jeung BTI teu aya hubungannaon-naon, saruan jeung antara PKIjeung Lekra. Tapi pan urang saréréanyaksian yén dina awal Gestapu, waktuPKI keur nanjung diugung-ugung, apan

BTI anu ngagerakkeun anggotanapikeun miheulaan ngalakukeun “aksi”ngarebut lahan anu lain waé milik pri -badi anu harita dianggap “sétan désa”(bareng jeung istilah “sétan kota” anungahaja ku PKI dipaké slogan dasarkawijakan politikna), ogé ngarebuttanah-tanah perkebunan pamaréntah.Ari milik pribadi-pribadi mah nu jadisasaran téh tanah-tanah wakaf anu di-adegan pasantrén nu dipingpin kuparakiai. BTI ngagerakkeun anggotanapikeun miheulaan aksi PKI ngarebutantanah bari alesanana ngalaksanakeunUndang-Undang Agraria nu kakara di -sahkeun.

Nya kitu deui Lekra. Gerakan Lekradina jaman mapag Gestapu taya lianngalaksanakeun politik PKI. Sanajanbener teu aya hubungan organisasi an-tara PKI jeung Lekra, tapi gerakan Lekrasalawasna ngalaksanakeun politik PKI.Teu kungsi kadéngé aya jalma dinajaman harita nu nyebutkeun yén Lekralain PKI. Kitu ogé Joebaar Ajoeb atawaNjoto. Dina laporan Tempo ditegeskeunyén aya béda papahaman antara Aiditjeung Njoto tina perkara Lekra. Aidithayang ngasupkeun Lekra sacaraorgani sasi nepi ka jadi bagian PKI,sedengkeun Njoto mah miharepsangkan Lekra angger madeg mandiriluareun PKI sanajan dina nyatana mahLekra geus ngalaksanakeun kawijakanpolitik PKI.

Kuring nu ngarasa ngilu nitenankamekaran politik di Tanah Air di awaltaun 1960-an, perkara béda papahamanantara parapamingpin nu sapartéy téhbiasa. Upamana, kuring ngadéngé yénantara Soebandrio jeung Roeslan Abdul-gani anu pada-pada pamingpin PNI(Partéy Nasional Indonésia), béda papa-hamanana. Kituna mah sanajan sirahtéh sarua buluan, eusina mah béda-bédapisan. Harita kabandungan yén aya bédapaham antara Aidit jeung Njoto anusarua PKI. Lain soal kudu henteuna

LEKRA Bagian ti PKIKu Ajib Rosidi

30

Page 31: Mangle 2464

31Manglé 2464

Lekra asup organisasi PKI, tapi haritamah soal bédana papahaman di anataraieu dua pamingpin téh lantaran Njotodideukeutan ku Presiden Soekarno nungarasa kuciwa ku dua partéy Marhaénnu aya harita (PNI jeung Partindo) anusasat lahirna Marhaénisme téh tinagagasan anjeuna. Ku lantaran kitu, BungKarno hayang ngadegkeun partéymarhaénis me nu anyar, sarta rék mer-cayakeun keur mingpinna ka jalma nudipercaya ku Bung Karno nyaéta Njoto.Harita Njoto narima jeung satuju.

Ku ayana kanyataan kitu, Njotodisidang di lingkungan CC-PKI, sanajandibalibirkeun ku ngabahas Njoto nu réknyerahkeun pamajikanana lantaran rékkawin ka awéwé Rusia nu kungsi jadipenerjemahna waktu Njoto lolongok kaNagri Beruang. Sabada nyarita padudu-aan jeung Aidit, ahirna Njoto milih pa-majikan ti heula, ...hartina Njoto tetepmilih jadi pamingpin PKI.

Singgetna, sanajan kungsi aya bédapapahaman antara Aidit jeung Njoto,lain dina perkara Lekra kudu jadi bagianti PKI atawa organisasi anu tetep madegmandiri. Numutkeun Amarzan IsmailHamid, penyair Lekra nu sohor, Joebaarkungsi pok ka manéhna yén Lekramimi tina mah diadegkeun jadi lembagasabangsaning LP3ES (Lembaga Penelit-ian Pendidikan, dan PeneranganEkonomi dan Sosial). Milih Lembaga téhsangkan teu kudu aya cabang-cabangna.Tapi saterusna, tétéla Lekra jadi ngaran-dakah loba cabangna, aya cabang, jeunganak cabang anu teu diadegkeun kuLekra tapi ku PKI. Partéy di daérahngarasa teu lengkep mun di jerona canaya Lekra. Upamana... Komite Séksi PKIDeli Serdang ngaheulakeun ngadegkeunLekra saméméh ngalaporkeun ka Pimp-inan Daérah (Ting. Tempo, 6 Oktober2013, kc. 62).

Katerang éta téh nuduhkeun yén rékkumaha baé ogé antara PKI jeung Lekraaya hubungan. Lamun henteu, rékkumaha bisana PKI ngadegkeun cabangjeung anak cabang Lekra bari lapo-ranana ditarima ku pimpinan Lekra. Haléta nuduhkeun, waktu Joebaar Ajubngarahul yén teu aya hubungan nanaonantara PKI jeung lekra manéhna pohokana kajadian-kajadian ieu. Nya ieupisan anu ngarungkadkeun bohongnatéh. Loba hal anu penting lamun mer-hatikeun dilaksanakeunana Konferénsi

Sastera dan Seni Révolusionér (KSSR)bulan Agustus 1964, nu lumangsung diIstana Negara kalayan dibubukaan kupidato Bung Karno. KSSR dilak-sanakaeun sabada KPPI (KonperénsiKaryawan Pengarang Seluruh Indone-sia) jeung sabada Manifés Kebudayaandibubarkeun téh pikeun némbongkeunyén ulah deuk wani-wani ngaréméhkeunPKI dina ngaorganisasi kabudayaan anurévolusionér. KSSR langsung dilak-sanakeun ku PKI, lain ku Lekra, sanajankalolobaanana jalma-jalmana araktifjeung kaasup tokoh-tokoh Lekra.Gagasan pikeun ngayakeun KSSR téhlahirna dina sidang pléno ka-II CC PKIahir taun 1963 anu netepkeun perluayana calecer garis fundaméntal dinanyiptakeun sastra jeung seni révolu-sionér. (ting. Lekra Tak MembakarBuku, susunan Rhoma Dwi Arya Yu-liantri dan Muhidin M Dahlan,Yo-gyakarta, Merakesumba, 2008,kc.58)

Dina kanyataannana mah, sanajanKSSR dilaksanakeun ku PKI lain kuLekra, tapi nu araktif loba partisipasinamah seniman-seniman jeung bu-dayawan-budayawan Lekra. Malah paratokoh Lekra anu lolobana jadi panyaturjeung medar dina KSSR téh saperti,S.Anantaguna, AS Dharta,Samandjaja,Agam Wispi, Hr Bandaharo, Basuki Re-sobowo, jeung nu séjénna, teu ayasaurang gé nu matalikeun Lekra sacarainstitusional, hartina hadirna mara -néhna téh ukur karepna pribadi lainkarana jadi anggota Lekra. Hal ieu téhpasti geus diatur ti anggalna mulasangkan aya kesan yén antara PKI jeungLekra teu aya hubungan organisatoris.Tapi dina résolusi KSSR ditétélakeunyén sakumna paraseniman jeung sas-trawan wajib patuh ka pimpinan partéy(PKI), yén sastra jeung seni révolusionérkudu ngaku jeung taat ka pimpinanpartéy. Mun teu kitu, sastra jeung senimoal bisa jadi alat révolusi anu bisadikoordinasi keur kapentingan sakabéhkagitan révolusionér anu leuwih jembar.Konfernas nandeskeun yén lamunnarima pimpinan partéy téh hartinakalayan sadar nyadiakeun diri salakusastrawan jeung seniman révolusionéranu konsékwén antiimperialisme jeungantiféodalisme. (Ting. Idem, kaca 621).Bisa dihartikeun ogé sacara pribadi, lainsalaku anggota Lekra, maranéhna para-pamilon KSSR baris satia satuhu ka

pimpinan partéy (PKI).Dilaksanakeunana KSSR ku parapa-

nyusun buku Lekra Tak MembakarBuku, dianggap hiji usaha ‘ngabeureum -keun total’ Lekra. Cenah anu keukeuhhayang ‘ngabeureumkeun’ Lekra jadibagian PKI téh Aidit, sanajan Njoto mahteu nyatujuan. Nyatana usaha jeung ka-hayang Aidit téh gagal. Lekra tetep teujadi bagian PKI.

Pamanggih sakuringeun mah, yéndilaksanakeunana KSSR téh balukartina kasieunan Njoto biluk ka BungKarno pikeun jadi pimpinan partéyMarhaénisme. Lamun seug éta kajadian,Njoto anu jadi salahsaurang anungadegkeun lekra bisa waé bakal mawaLekra ‘meuntas’ biluk ka Marhaénisme.Ku lantaran kitu, dina putusan KSSRditétélakeun pisan yén parasastrawanjeung seniman téh sacara pribadi bakalsatia satuhu ka pimpinan partéy.Hartina sanajan Lekra salaku organisasiku Njoto dibawa ‘meuntas’ parasenimanaktivis anu aktif dina KSSR tetep satiasatuhu ka partéy (PKI).

Lantaran Njoto teu jadi ‘meuntas’,teu aya masalah keur Lekra gé anusabenerna ti awal mula geus dihaja teuditulis organisasi anu boga hubunganjeung PKI. Hubungan organisatoris anuformal henteu penting, da anu pentingmah kasadiaan rék satia satuhu kanasakumna kawijakan politik pimpinanpartey.. Tah salila ieu mah nya éta pisananu dijalankeun téh nyaéta ti saprak di-adegkeun (1950) nepi ka kajadianGestapu (1965), léngkah-léngkah Lekrasalawasna nuturkeun arah politik PKI.Teu aya hiji tindakan atawa panyangkalti pihak Lekra atawa ti tokoh-tokohnaharita anu nétélakeun yén maranéhnamigawé hal anu béda tina garis polotikanu ditangtukeun ku pimpinan PKI.Hartina, sanajan sacara organisatorisantara Lekra jeung PKI teu aya hubu -nganana, dina praktékna mah, naon-naon anu dilakukan ku Lekra atawatokohna téh salawasna dumasar kanakawijakan pimpinan PKI. Hal ieu bisadibuktikeun dina unggal léngkah jeungkagiatan Lekra—anu kasaksén mang -rupa catetan sajarah dina rékaman-rékaman pérs.***

(Disundakeun ku H. Elin Sjamsuritina Republika edisi Ahad, 19 Januari2014 kalayan widi ti anu nyeratna)

Page 32: Mangle 2464

Manglé 246432

CCarita Nyambung

Ras deui kanaomonganAstri harita,basa di bu-ruan fakul-tas. Enya

meureun kuring téh maha-siswa bulukan. Isukan bakaltepung jeung manéhna.Bakal nyarita kumaha kira-kirana? Naha pisalakieunanabakal datang kitu? Ah, keunbaé rék datang atawa moalogé. Saperkara, kuring mahukur hayang milu ngaluuhanwungkul. Atuh lamun engkésuasanana teu méréan, nyatong maksakeun. Tapi arinyampeurkeun sakeudeungwaé mah asa taya salahna.Malah meureunan kudu.Heueuh, da kalah kumahabaé ogé manéhna téh saruababaturan sakelas. Ongkohdeuih kuring ogé rumasa,baheula remen nyieuncodéka ka manéhna. Maenyawé rék tuluy-tuluyan nyieunanggang, sakitu manéhnamah saeutik gé teu nyidemgeuneuk maleukmeuk.

Enya, isukan téh kuring

bakal tepung jeung Astri, cékgerentes kuring deui.

Sora hayam dina paranjékadéngé kongkorongok.Tunduh. Lenyap baé teukarasa.

***Lilir-lilir téh sanggeusna

kadéngé supir ngageu-ingkeun. Panon rarat-rérét.Geus tepi geuning.

“Geus nyampé, Jang. Ah,saré melulu kau,” cék supirdina logat Batak anu kentel.Nyéh manéhna seuri.

Kuring males seuri, teunyarita nanaon. Jrut turuntina mobil, laju mayarongkos. Geus kitu mahngaléos ti terminal.

Panonpoé mimitimanceran, karasa haneutkana awak. Teu burungmatak seger meueusan. Urutbieu tunduh téh lus-les lale-ungitan. Ngan sirah karasasemu lungleng kénéh, balastadi peuting kurang saré.Wayah janari badag tudakakara bisa reup téh.

Rét kana hapé. Jam dala-pan panceg. Kuring tuluy

leumpang ngidul, murugerebang kampus. Teu ieuhhayang nunda kantong heulaka kontrakan. Baé lah beu-rat-beurat ogé, cék pikir téh.Horéam kudu bulak-baliknatuda, najan enya perenahnakontrakan téh teu pati jauh.

Sanggeus asup ka gere-bang kampus, kuring tuluyngincig muru gedung fakul-tas. Da di dinya lumang-sungna ujian sidang téh. Clékana tangga, laju naék kalanté dua. Bréh baé ti lebahlawang katingali barudak nurék ujian sidang téh.

Sakedapan mah ukurngajengjen bari nyérangkeunti kajauhan. Asa panglingnakeranan nénjo barudaktéh. Teu lila, ujug-ujug bijilkanalangsa dina haté. Karasatingsérédét, awor jeungkawaas anu hésé digam-barkeunana. Maké bet bogapikiran hayang nyingkah sa-heulaanan. Enya, kuring so-rangan teu ngarti, naha betasa teu wasa rék nyam-peurkeun téh. Padahal lainsakali dua kali kuring milungaluuhan acara ujiansidang. Ampir unggal taunmalahan mah. Pangpangnalamun kabeneran anu sidan-gna kaasup sakulah-sakolih.Naha ayeuna mah pédahsasatna babaturan sakelaskitu?

Tapi antukna kuring teutulus rék indit deui téh,sanggeus aya nu ngagupayanti lebah ditu. Duka saha, teupati atra. Najan karasawegah ogé kuring laju nyam-peurkeun. Tuluy guk-gok,

jeung itu ieu ngajak sasala-man.

“Ka mana waé Yud?Mani tara katingal,” cék siRisa.

“Enya euy. Kamariditéang ka kontrakan ogéénté teu nyampak,” si Adismilu némbrong.

“Sugan téh moal datang.Hanas teu dibawa tadi téh.Ngahaja, urang nyiapkeunjas sasetél keur manéh,” siRamdan nyelengkeung.

“Gandéng ah, tongnyindiran! Kawas nu heueuhwaé manéh mah,” témbalkuring. Nu séjén laju saruapuk-pok nanya. Ku kuringdijawab saperluna. Teu ieuhhayang némbalan panjang.Duka ku naon, bet asa aya nunyelek dina tikoro. Ongkohdeuih pangacian gé canngumpul kabéh. Nu ting -sérédét ngagelek kénéh dinahaté. Padahal kuring gé sonoka barudak téh. Kawantugeus jarang tepung téa.

Gék baé kuring jeung siRamdan dina korsi, radanyingkur. Teu réa heureuycara sasari. Ngobrol ogépararondok, tamba teupataket-taket teuing. Dukamémang pédah kondisinakeur daria, tug ka manéhnasorangan ngarasa teu laluasarék ngajak ocon ogé.

Sawatara lila mah teucengkat-cengkat. Panon an-teng niténan barudak. Rupa-rupa kalakuanana téh. Ayanu katara semu geumpeur.Aya ogé anu sabalikna, kalahcicirihilan, lir teu singnasieun rék nyanghareupan

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

88

Page 33: Mangle 2464

33Manglé 2464

penguji téh. Tapi kuring mahnempo barudak téh bet asainget ka jaman tingkat hiji.Tuluy baé diwawaas deui.Tétéla, geus réa robahnabarudak téh. Boh lebahsikepna, boh lebah tangtu -nganana. Meureunan ayeu -na mah geus ninggang kanamangsana déwasa téa. Jauhtangéh jeung maranéhnaanu disawang ku kuring dimangsa heubeul. Komo deuiayeuna dina suasana kawaskieu. Asa gedé pisan paroba-han anu katénjo téh.

Tuluy baé dibandingkeunjeung diri sorangan. Naonsaenyana nu robah ti dirikuring? Hanjakal euweuheunteung. Lamun aya mahmeureun kuring bisa nyidik-nyidik rupa beungeut sora -ng an. Bisa ngukur, geus“semet mana” kuring téh?

Tapi kuring soranganngarasa, yén antara kuringbaheula jeung kuring ayeunatéh geus réa géséhna. Kuringayeuna sok rajeun neuteuppikahareupeun. Enya, moalbina ti maranéhna anu ayeu -na keur ujian sidang.Meureun sanggeusna lulustéh bakal ngiker-ngiker pi-jalaneun satuluyna. Sedengpikeun kuring mah jalan nurék disorang téh sasatna lirteteguhan. Haté kebek kukabingung, kudu ka manasaenyana suku ngaléngkahtéh.

Kuring ngarahuh. Lieukbaé ka gigireun, ka si Ram-dan. Sarua manéhna ogébangun nu anteng nén-jokeun barudak, teu lémék-lémék. Moal boa rarasaananu nyangkaruk dina haténaogé sarua jeung nu karasa kukuring ayeuna.

Manéhna tuluy disi -geung.

“Euy,” cekéng téh.“Naon?” Manéhna

ngalieuk.“Naha bet cicing waé?”

tanya kuring saengabna.“Har ituh. Pan manéh gé

ti tatadi balem waé,” témbal

manéhna.“Ari si Astri di mana? Asa

teu katénjo,” cék kuring deui,sanggeus ngahulengsakeudeung.

“Di jero kénéh. PengujinaBu Nurbayati. Sok rada liladiujina. Aya naon kitu?”Manéhna laju malik nanya.

“Ah henteu. Hayangpanggih wé urang mah.

Meungpeung keur

nyampak di dieu.”“Aya naon maké hayang

panggih sagala?” Si Ramdankalah katutuluyan nanya.

“Nya hayang ngobrolatuh, seblu! Sok siah, nanyarék ngobrol naon!”

“Moal ah. Da geus nyahoieuh. Tangtuna gé moal jauhbakal ngobrolkeun éta,”cénah bari nyéréngéh.

“Naon éta téh?”“Heueuh éta wé pokona

mah. Kuma manéh rék naonogé,” pokna puputeran.

“Ah siah! Sok teu puguh

manéh mah!” Kuring radanyentak.

Tungtungna jejerwangkongan pindah kanapasualan séjén. Tapi jadidaria deui ka dituna mah.Jajauheun kana ceuceu -leukeuteukan, sakumaha bi-asana ari keur ngadabruljeung manéhna. Sora gé sedsaeutik ti nu haharéwosan.

Tapi ari panon mah tuluy

manco ka lebah lawang.Ngadagoan Astri sugan gan-cang kaluar ti rohangansidang. Haté bet laju ngager-entes, siga kumaha rupaAstri ayeuna? Ah, tangtunagé prah baé jeung batur arilebah dangdanan mah. Ém-bohna saeutik paling ogélebah rupa beungeut, anumoal polos teuing sigasapopoé. Tapi kétang ti ba-heula asa can kungsi nénjomanéhna maké riasan. Dukatah, ayeuna.

Bet kalah beuki

panasaran tungtungna mah.Ngan henteu wé ari nepi kadipokkeun mah. Malah pase-mon ogé rada dibunian.Sangkan teu kaciri teuing,yén saenyana kuring téhkeur ngarep-ngarepmanéhna bijil. Kuriak kéhdisabit-sabit deui ku si Ram-dan.

Heuleut sawatara jongjo-nan, puncengis nu didagoan

téh kaluar. Geus réngsémeureun mana kitu gé.

Diitung-itung téh ayakana sajamna manéhna ci -cing di jero.

Boa kétang leuwih. Dadosén anu ngujina waé ayatiluan. Diuji ku saurangnarata-rata méakkeun waktudua puluh menit. Acan étatéh jeung nungguan, da kuduantri. Kawantu bagilir sakaliséwang.****

(lajengkeuneun)

Page 34: Mangle 2464

”A, aya nu nuju mabokdikintun rambutan saké -résék ku rama kawalonna.Ngagereyem wé nyalira teuaya nu nyoro. Henteu nga-bala margi érép sadayana kunu mabok téh digémossareng siki-sikina, sarengcangkang-cangkangna,sareng kantong kérésékna.”

”Ah siah! Aa ogé ayadongéngkeuneun, Cid lah.Jongos mabok ku dunu -ngan ana dititah ngelapanmobil di garasi. ’M.. mangga, Ganh ….’ Ceuk si jongostéh bari dadaligdeuganmuru garasi. Tuluy ngages-ruk wé ti isuk-isuk nepi katengah poé mani titén. Aritempo dipaké si mobil téhangger belewuk. Sihoréngbasa ndék ngelapan téhpanto garasina acan dibuka.Enya wé nu beresih téhpanto garasi mani laleucirnepi ka éngsél-éngsélnajeung liang-liang koncina.”

”Ieu mah sanés jongos, Anu mabok téh biduan.”

”Kumaha?””Biduan mabok nyanyi

’Balonku’ di panggung.Lamiii ngahuleng peu-peureuman, bray beuntasakedap ngadegna endag-endagan, bahamna nompokana mik. ’Dar!!!” saur sibiduan téh mani bedas,teras ngahuleng deui lamibari endag. Teras manggut

mani antaré lajeng lungsurwaéh ti panggung. Nu na -rongton téh mung silih rérétwé sareng papada nu nong-ton deui.”

”Nu ieu mah nu maboktéh nu ngarit, Cid.”

”Kumaha tah?””Heueuh nu ngarit

mabok, ngarit keur dombainguanana. Sanggeusbeubeunangan rigidigdibawa ka kandang, gebru-gebru ngabuskeun parabkana pamakanan di kan-dang dombana. ’Aaah sik..kurang aj.. jar téh arog..goan pisan dom.. batéh aingmah. Geus dip..parab kal..lahkat.. tingbér.. rélé waésig.. gél.. lo téh! Geusdip..pangar.. ritkeun mar..rumul nyatu ah.’ cenahkukulutus. Enya wé parabdomba dina pamakanan téhweuteuh euweuh nungakan.”

”Naha nya, A?””Pan nu diaritna, écéng

gondok, sadagori, kararas,jeung kalimusa manirangseb.”

”Heu heu heu ….””Pikaseurieun nya, Cid

dongéng Aa mah?!””Da Encid mah gumu-

jeng ku nu mabok nu badédidongéngkeun ku Encid, A.Heu heu heu….”

”Sok atuh kumahadongéngna lain haha-

heuheu waé!””Nu mabok ameng ka

taman sapari …””Safari, Cid. Taman Sa fa

ri!””Da Encid mah kirang

tiasa nyebat sapari, jadi arinyebat sapari téh sok sapariwé nu gampil. ’Anjiiir ditaman sapari mah bayawaktéh buluan, euy! Buluna be-lang-belang jiga kudasébra.” Saur nu mabok téh.”

”Naon, nénjo iguana kitunu mabok téh, Cid?”

”Sanés, A. Sidik nukatingal ku nu mabok téhleres kuda sébra. Heu heuheu ….”

”Manéh mah ngado -ngéng téh pondok tapi teueucreug!”

”Heu heu heu heu ….Komo ieu mah langkungpondok, A. Ucing mabokmaling goréng tawés tipawon, digigiwing dipurakdina golodog. Terasngahénggoy mani lami, aricengkat goréng tawés téhngagolér kénéh weuteuh. Si-horéng pagentos, nu diha -kan ku ucing mabok téhsendal capit sisirangansarampasan séép sareng ca-capit-cacapitna kanjatteurab.”

”Ramé kénéh anjingmabok atuh, Cid jeungucing mabok mah.”

”Cobi!”

”Anjing sirkeus mabokmiluan ngajlengan bunde -ran seuneu. ’Ya!’ ceukdununganana téhngodeuan. Berengbeng,gajleng, jekok! Anjingmabok lumpatna nyéng-cang, lain moncor kana bun-deran seuneu tapi kalahkanubruk dununganana nepika ngagulitik, tuluy guleybari seuneu ngabebela.”

”Walah!””Tukang sirkeus

kekepruk bari ceuceuleuwe-ungan tulung-tulungan. An-jing mabok mah haré-haréwé teu gagaikan, teu gugu-rubugan sangkilang bulunamah tutung saawak-awaknepi ka hangit.”

”Naha nya, A?””Pan mabok. Nu lalajo

sarurak ayeuh-ayeuhan,samarukna éta téh atraksi.”

”Ieu mah tukang hayamkaramba, A mabok jajarig-jeugan di Jalan BelakangPasar, ngalangkung kapayuneun kios tukangbarabadan. ’Anjirrr éta kuéhmari kuat baradag kitu!”saur nu mabok téh baringarengkog. Padahal nudisebat kuéh mari ku numabok téh saleresna mahcécémpéh nu diéntép dinadadasar tukang barabadan.”

”Aya kénéh, Cid?””Atos, A ah bilih kacan-

dakkeun mabok!”***

Nu MarabokKu Budi Riyanto Karung

Manglé 246434

Page 35: Mangle 2464

NAKOL

Lamun kuring inget kana kajadiananu rék dicaritakeun ieu, sok érasorangan. Tuda enya béhna mah

geuningan anu darusun téh lain baéurang kampung nyaba ka kota, dalahkuring sorangan gé urang kota leuwihdusun basa nganjang ka Uwa di lembur,Cikareo Manonjaya, Tasik.

Biasana di kota mah boh poé Ju-maah boh poe Saptu, sarua bae ari nakolkohkol jeung bedug téh sanggeus man-jing kana waktuna salat. Beda deui diCikareo mah, poe Juma’ah mah diis-timewakeun, nakol kohkol jam sabelas,nakol bedug ari rek adan, maksudnamah kohkol téh ngabéjaan nu di sara -wah atawa nu di kebon bibi kamalinaanteuing, poho henteu jumaahan.

Nya kitu téa, kuring harita téh kuUwa dititah nakol kohkol sabelas kali dageus pukul sabelas. Leos we kuring kapipir, da di dinya masigit téh ayana. Étamasigit téh meunang ngadegkeun Uwa,malah Uwa pisan nu jadi sesepuhna ge.

Dasar jelema dusun, kerewek kuringkana panakol kohkol, teu tatanya deuida sugan téh sarua bae sa-Pasundanmah nakol kohkol jeung bedug téh kitukawas di Palembang, najan subuh, lohoratawa magrib, sok dititirkeun.

Kohkol ku kuring dititirkeun sangge-unahna. Beres kohkol habek kana bedugda biasana bedug mah ditakol sang -geusna kohkol. Nay kitu bedug ge diti-

tirkeun.Can enggeus nakol bedug, Uwa ti

imah cocorowokan, pokna téh: “En-geussss!” kuring teu ngarti da teu nyahotea, eureun-eureun sotéh sanggeusjelema rabul ti unggal imah. Nyari-takeun ka kuring, basana téh Jumaahmah can waktuna Ujang!

Kuring era lain dikieuna, malahharita ge batur Jarumaahan, kuring mahpamitan balik. Ti kajadian harita canpangih deui jeung Uwa téh, ari hayangnamah hayang, ngan era bisi ingeteunkeneh.

Acep Hidayat Pagerageung Ciawi

Tasikmalaya

Mangle

Anyar gawe di Pa Guru Salim.Biasa wae purah babantu,lumayan deuih salian ti bisa di-

gawe teh bisa oge sakola. Da Pa Guru tehngadukung kana niat kuring hayangsakola. Bubuhan geus dalit pisan jeungbapa kuring nu jadi supirna Pa Guru.

Harita teh kuring sakola SMA, SMP-na mah di lembur. Hiji poe Pa Guru tehnitah kuring ka pasar meuli mangle nupanganyarna. Teu papanjangan carita,da cekeng teh tinggal nanyakeun wae dipasar mah. Kuring sorangan harita tehcan pati apal naon ari mangle teh.

Nepi di pasar tuluy nanyakeun ka

tukang parkir nu aya di dinya.“Kang, pami bade meser mangle di

warung mana nya?” ceuk kuring.“Mangle kembang lain?” ceuk si

Emang parkir.Lantaran teu nyaho tea, kuring nga-

heueuhkeun.Tuluy Si Emang nuduhkeun.

Kasampak loba nu dagang kekembang -an.

“Bade meser sakumaha Jang?”“Hiji wae Mang, tapi nu pangan-

yarna.” Si Emang ukur seuri, tuluy nyokot

sababaraha runtuy kembang (ceuk tak-siran harita, nya eta meureun nu disebutmangle teh, kembang mangle). Geuscungcreng mayar mah, tuluy wae balik.

Nepi ka imah, Pa Guru geus nyam-pak. Teu papanjangan tuluy wae kem-bang Mangle teh dibikeun. Pa Gurukalah olohok. Kituna teh bari ditungtun-gan ku gumujeng meuni dugi ka ciram-bayan. Kuring sorangan tikerung-kerung da teu ngarti.

Keur bingung kitu, aya bapa kuringnyampeurkeun. Sarua deuih kalahseuseurian bapa kuring oge.

“Ujang kasep, muhun nu ieu tehMangle naminna. Tapi nu dimaksud kuBapa mah majalah Mangle, tuh sapertosnu ngagoler dina meja.” Ceuk Pa Gurubari angger cirambayan.

Geus kitu mah kuring balik deui kapasar. Meuli majalah mangle edisi nupanganyarna. Ti harita kuring jadi resepoge macaan Mangle nepi ka ayeuna.

Ishak AsalamCibeber - Cianjur

35Manglé 2464

Page 36: Mangle 2464

Aki jeung EmanAki: Man, aki mah soksaredih lamun inget ujangteh tereh sarjana.Eman: Naha sedih, Ki?Kedahna aki teh bungah.Aki: Lain kitu, Jang.Ceuk paribasa mah Sarjanateh aya singkatanna.Eman: Muhun kitu?Aki: M u h u n .Sarjana=Sanggeus diajarnangkring di pasar.Eman: ???Aki: Hehehehe…

Iqbal Maulana SuryanaDs. Cigugur Girang

Parongpong - BandungBarat

UcingAa: Neng ucing naonanu gombal?Neng: Ucing nu aa.Aa: Nya lain atuh.Neng: Jadi ucing naonatuh?

Aa: Ucingta kau sela-manya, ampe aa matiNeng: Yey, gombal sekali,A.Aa: Tah pan bener.Hehehe…

Iqbal Maulana SuryanaDs. Cigugur Girang

Parongpong - BandungBarat

Neangan EtemBasa rek dek pisan dibuat,Bi Odah kokotetenganneangan etem.Bi Odah: “Suyang yanehnyinyali ekem, ceu?” nanyakituna teh teu jelas siga nukekemu.Si Sujang ukur seuri barimirengkeun polah Bi Odah.Bi Odah: “Yong nyeung -seurikeun waneh teh,Suyang!”Sujang: “Ari eta nu digegelna biwir, naon?” Sujang teu

kuat nahan piseurieun.Bi Odah: “Aeh heueuh,poho!” ngomong kituna tehsabari maut etemna.Sujang: “Untung teu ka-teureuy tah etem teh!”

Ayi SopandiJl. Makmur No 84 RT

003/07Jakarta Timur 13810

Cita-citaBapa: “Jang, mun manehgeus gede, hayang jadinaon?”Budak: “Duka tuh nya,tacan kaemut, Pa!”Bapa: “Sugan hayang jadidokter, insinyur, atawapilot?”Budak: “Abdi mah hayangjadi dalang, gening AsepSunandar Sunarya gebeung har ladang ngadalangteh!”Bapa: “Beu...”

Ayi SopandiJl. Makmur No 84 RT

003/07Jakarta Timur 13810

Balik KananSipir: “Rek naon maneh kadieu?”Supar: “Rek besuk ka Bapauing.”Sipir: “Lain wayah lainmangsa tengah peuting kieumah. Balik kanan!”Supar: “Beu ... rek besukjam dualas peuting, kalahnitah balik kanan, memangdewek teh OKD kitu!”

Ayah KawunglarangRancah 46387

Calistung“Maneh nyaho teu saha du-lurna Calistung?”“Curanmor!”“Saha deuih salian ti Curan-mor?”“Konduro!”“Dih, kakara ngadengedewek mah. Naon kanduroteh?”“Tinggaleun jaman atuh!Konduro teh wancahan tinakorupsi duit nagaradeuleu!”

Ayah KawunglarangRancah 46387

Manglé 246436

Page 37: Mangle 2464

GuraméLiwet sakastrol geus ampirledis basa pangersa ajengannyampeurkeun ka kobong.Barudak santri balem hiji gétaya nu wani nyarita. Pang-pangna rumasa salah, peu -ting tadi ngala lauk guramédi balong pangersa teupupulih heula.Ajengan: “Hampura baru-dak, Mama teu ngabéjaanka hidep!”Lurah Santri: “Eu.., ngawar -tosan naon manawi,Mama?”Ajengan: “Éta lauk guramé,ulah waka ditéwak lantarananyar mindahkeun ti balonghandap, can

beresih! Kapan hidep géterang tempat miceunkokotor jelema balong étamah!”Ngadéngé kitu, barudaksantri babalongkéngan ngu -tah-ngutahkeun deui eusipeujitna.

Agus MulyanaSMP Kahuripan Paja-

jaran, Purwakarta.

LebarBapa: “Jang, iraha rek lulusteh, kalah arek nincak kanataun katujuh geuning ma -neh kuliah teh!”Ujang: “Puguh Ujang mahinget ka papatah Apa. Apancenah kana sakola teh kuduresep! Jadi Ujang mahresep pisan kana kuliah teh,jadi embung mun kudululus teh.”Bapa: “Har!”

Garinini GantinaSukabumi

BatuUjang: “Mamah, saurnabapa teh papangna batu.Engke pami tos seueururang ical atuh nya Mah,batuna.”Mamah: “Memangna batu

koral, eta mah batu kasakitsujang!”Si Ujang gagaro sirah.

Garinini GantinaSukabumi

Jarum“Ari di lembur, neanganjarum kecos wae meunikudu mapay unggal wa -rung!”“Heueuh, teu cara di kota.Jarum teh nepi ka diudu-dan sagala!”“Har, teu sieuneun nojoskitu?”“Da ieu mah roko jarcokalias jarum coklat!”

Garinini GantinaSukabumi

Agul“Urang mah sapoe jeputbisa ngurilingan Bandungmake motor!”“Ah, uing mah ngurilinganukur ku sababaraha menitbari leumpang, teu som-bong!”“Har, naha bisa?”“Pira oge atuh leumpang diJalan Jawa, kota Bandung!”“Si Kehed teh, sugan tehenya.”

Ishak AsalamCibeber - Cianjur

Tos NgalangkungBudak: “Pa, dupi kareta nuka Surabaya tos ngalang -kung?”Patugas: “Teu acan!”Budak: “Dupi nu ka Ja -karta?”Petugas: “Teua can, nyaarek ka mana?”Budak: “Ieu bade meuntas.Sieun!”

Ishak AsalamCibeber - Cianjur

ManingAya bangsat ti peuting asupka imah nu keur anyar pa -ngantenan, kabeneran pa -nganten awewena urangwetan. Geus rek kop pisankana barang nu rek dipa -lingna. Kadenge pangantenawewe ngarenghik: “Masss... Maniiiing!” cenah. Na aribelesat teh bangsatna lum -pat ti tuturubun.Sihoreng dedengeunanamah, “Masss ... maliiing!”

Ishak AsalamCibeber - Cianjur

Hayang DisuguhanEmang: “Ari ceuk Alodeukeut mana Tasik jeungCiamis?”Alo: “Lamun ti Banjardeukeut Ciamis tapi mun tiBandung mah nya deukeutTasik atuh.”Emang: “Ari ceuk Emangmah rék ti mana waé gédeukeut kénéh Ciamis.”Alo: “Naha Mang bisakitu?”Emang: “Coba wé Alo kadapur, ciamis mah ayageura. Tinggal ninyuh kucitéh panas, sedap!”

NouvalKomplék Cibiru Raya

Kab. Bandung

Sarupaning KadaharanWartawan: “Misro?”Tk. dagang: “Amis di jero.”Wartawan: “Comro?”Tk. dagang: “Oncom dijero.”Wartawan: “Ari sukro?”Tk. dagang: “Ngaran kur-ing.”Wartawan: “Punten atuhMang, manawi téh....”

NouvalKomplék Cibiru Raya

Kab. Bandung

Buta HurupAki: “Nini, geuningan teukudu kaluaran sakola luhurwaé nya nu boga gelar teh?”Nini: “Maksud Aki?”Aki: “Geuningan éta JangMadroji sakitu teu bisamaca ogé boga gelar.”Nini: “Naon cenah gelarJang Madroji téh?’Aki: “Buta hurup!”

NouvalKomplék Cibiru Raya

Kab. Bandung

Ukur LalandianEmod: “Hanas ngaha-jakeun jauh-jauh ulin kakota, ari pék téh... bohonggedé!”Jahri: “Naon anu bohonggedé ?”Emod: “Panasaran kuringtéh majar di kota loba pada-gang kaki lima, ari pék téh...sarua wé geuning sukunamah dua.

Fitra MuhammadSumedang

Nya HeueuhWa Ajum: “Geus sabarahataun Jang latihan bat-minton téh?”Jajang: “Nembé gé duataun, Wa.”Wa Ajum: “Ari ayeunaUjang téh sakola kelassabaraha?”Jajang: “Kelas 3.”Wa Ajum: “Latihan duataun bari sakola gé kakarakelas 3 geus sakitu hébatna,komo engké dua taun deuigeura.”Jajang: “Bakal kumaha,Wa?”Wa Ajum: “Bakal... kelas 5geura mun teu ngendogmah.”

Fitra MuhammadSumedang

37Manglé 2464

Page 38: Mangle 2464

Manglé 246438

SSambungan

kabagéanana dina sapoé.Nu enggeus ngalumukdina carangka nu diaranankamari. Kawas kuring nunémbér dina congo katilutaunna maguron diYamisa, mun teu kapapan-cenan biantara wawakil tikelas tilu mah, moal-moalacan werat ngulamprengka wengkon Yamisa. Teudeuk kitu kumaha,saméméhna pabeubeu-rang mentrang, kuring teuwalakaya nyungseb ditila-man salambar surat, suratti Marlina, surat puputu-san yén manéhna teuwerat ngejat tina paneka

takdir tur kawajiban mi-tuhu nu jadi kolot. Basaturun tina panggung, jugpada ngaréntog.

“Lain gé pidato kitumah, paling gé ngetrékkabogoh,” cek Pa NanuMiharja.

“Naha atuh lain méntavitamin ka sayah!” témpasPa Mamat Saepul Kodir.

“Pidato hareupeunkabogoh kitu mah, Hadi!”Pa kepsek mairan. Iwal SiNana Karpia ketua Osis wéanu pro ka kuring téh,“Sabar Brur...! nu bogalalakon mah biasa sokpada moyok heula!”

cenah, heueuh ujung-ujungna ngajurahroh padangaleyek, ceuk haté, pokmah henteu. Basanyarandé dina temboksakola, nu ceuk rarasaantengahing leuweungluwang-liwung ukur wasapateuteup ti kajauhan,manéhna enyaaan mi-dang. Koléséd katukangeun buruan sakola,ngaléngkah sakaparan-paran muru tutugan sasaksaung Leuwi Munding.

Hawar-hawar tembangvokal grup “Di UjungRindu”ciptaan Si UcayJamal nurihan leunjeuranati nyipta sesemplékanbeling sapaparat jalan,linu ngurutugkeun getih

kapeurih;Kuberjalan kemana arah Tanpa tujuanyang pasti

Demi melepas laranestapaYang tergores dihati iniKukembali temui rinduDatang hanya untukmuSekian lama kutinggalpergi Menggapai cintaabadi...Bulan dina beungeut leuwikapireng pias marék-plékan, sarua reujeungmarékplékanana buleudanhaté. Pileuleuyan Marlina,pileuleuyan Yamisa. Urangséwang-séwang nyukcrukkabagjaan.***

Panglawungan tilu welas

jukut riut téh. Kawas nunyaan nyawaan, kagim -breung-gimbreung téh,bangun nu sieun atawaéra, daunna sok ngariut.

”Ti bumi tadi téh, saurBi Jua, Iyét ka makam.Ulah lami-lami teuing dipajaratan. Tos, geuramulih. Di bumi seueurtamu, nu badé silatu-rahmi.”

Jung kuring nangtung.Teu katahan, gabrugngarangkul Téh Nana.“Wilujeng Boboran Siam,Téh. Hapunten Iyét. Ru-maos seueur kalepatan.Hapunten pun lanceuk nutos teu aya di kieuna. Iyétnembé kabujeng ayeunanyekar téh. Dintenan bo -boran mah apan di lem-bur. Hapunten Téh ”

”Tos, Geulis. Teu ge-

uneuk teu maleukmeuktétéh mah. Komo ayeuna,urang tos papada kolot.Iyét téh adi Kang Adi. Aditétéh.” Téh Nananangkeup bari ngusapantonggong. Asa kacida bag-jana haté téh.

Pa Adi, aéh Kang Adicalik dina jojodog témboknu ngahaja dijieun paraginyekar. ”Allohuma fir lahuwarhamhu…” Doana lirjamparing melesat ka ja-baning langit, ngaliwatanalam kubur, ngaliwatanhaté kuring nu bangblascaang bulan opat belas.“Kang Ajat, mung Akangpanutan haté abdi mah.Abdi moal midua haté.Mun Alloh marengkeun,haté abdi baris nutupsalalawasna pikeun sahawaé nu boga karep ngeu-

sian. Nun, Gusti, mugi simabdi tiasa sasarengan deuisareng pun lanceuk, disawarga Anjeun, ya Rob.”

Jukut riut, daunnamaruka deui, basa kuringtiluan ninggalkeun pa-jaratan.***

Jukut Riut......

MARÉKPLÉKAN ........

Page 39: Mangle 2464

DDongéngAkiGuru

40. Careuh, Ucing,jeung Méong Tutul

Aya careuh jeung ucing,tingalider aprak-aprakan baringaromong. Nu diomongkeunsoal adil jeung runtut, sartapada ngomongkeun duaperkara kasalahan, nyaéta ma-ling jeung maéhan.

Ku maranéhna ditetep-keun éta dua kasalahan téhpanggoréng-goréngnakalakuan.

Keur ngomong kitu, dua-nana ningali aya méong tutulkeur ngahakan embé. Nempokitu, careuh kacida ngagogo -réngna. Pokna, “Panggoréng-goréngna kalakuan téh nyaétangahakan sato nu teu bogadosa. Déwék mah tara kitu.Bisa disebutkeun, méong tutultéh sato nu panggoréngna,panggagabahna, pangdeng -kina.”

Bari ngalobrol téh duananabeuki deukeut ka lembur.Maranéhna nénjo hayambikang nu loba anakna. Careuhgancang ngarontoh hayambikang téa, tuluy dihakan. Ariucing nurutan kalakuancareuh, ngarontok anak hayamtuluy dihakan. Harita pisankautamaan, kapinteran, jeungkasoléhan duanana téh leu -ngit.

Hartina: manusa sok resepngageunggeureuhkeun kaku-rangan atawa kagoréngan anulian, padahal manéhna soran-gan sok ngalampahkeun.Uteuk tongo dina tarang baturkanyahoan, gajah depa dina

punduk teu karasa.

41. Panonpoé jeungAngin

Dina hiji poé, panonpoéngajak perang tanding kaangin. Nu dipaké pasanggiriatawa panayogyaanana nyaétasaha-saha anu bisa ngahi ber -keun tiung nu ngaliwat, nyaéta nu meunang perangna.

Harita kénéh anginngagelebug bari mawa hujangedé. Atuh nu ngaliwat téh teukaur maju, balas ngomékeuntiungna, dipageuhan, barisabisa-bisa tuluy leumpang.Tiungna beuki pageuh.

Giliran srangéngé,metakeun karosaanana.Pareng wanci manceran,panasna morérét nenggelpisan, langit béngras kabina-bina. Nu ngaliwat, nu tadiwaktu angin ngagelebug nganmageuhan baé tiung, arikatarajang panas mahngalaanan tiungna, sartangiuhan handapeun kai gedé.Srangéngé bungah sabab ung-gul perangna.

Sagala rupa kalakuan,lamun digawéan bari saréhsarta jejem, tinangtu hadéhasilna. Sapuluh kali lipet ti nusok heuras regas sarta baringalajur hawa napsu.

42. Hayam Jago jeungInten

Aya hayam jago langlayeu -seun kurang parab, kokoréhdina keusik, heug manggih hiji

inten gedé pisan. Pokmanéhna ngomong, “Tada teu-ing bungaheunana tukangnyarawedi (tukang ngagosokinten) lamun manggihan ieuinten. Tapi ari keur kuringmah mending nimu béassasiki, manan nimu intensarawu kawas kieu mah.”

Hartina ieu dongéng: naonanu jadi rejeki urang, anunguatkeun awak, teu beunangdigantian ku nu lian, sanajanrupana perhiasan.

43. Bagong jeungMéong Tutul

Aya hiji bagong keurngasah sihung dina tangkalkosambi, digeunggeureuhkeunku méong tutul. Ceuk méongtutul, “Manéh téh keur naon?”Bagong némbalan, “Kuring téhkeur ngasah pakarang, parantingalawan musuh, bisi ayasatru nu rék nganiaya ka ku -ring.” Ceuk méong tutul téh,“Ari ceuk kuring mah asa teupati perlu, sabab apan musuhnu matak risi manéh téh canaya.” Ari ceuk bagong, “Nyaétasababna nu matak ku kami di-asah ogé, da ari geus ayamusuh mah moal kaur ngasahsihung, ngan kari tarung baé.Leuwih hadé sasadiaan baéméméh prak gawéna.”

Hartina ieu dongéng: nupinter ati-ati waktu keursalamet, inget atawa sasadiaannaon-naon nu engké bakal di-paké, bakal nolak balai (jauhtina picilakaeun). Mun geusdatang waktuna, kari maké

baé. Sagala rupa nu kaselem-pek, arang-arang aya hasilna,nya leuwih hadé sadia tiawalna.

44. Ciung jeung Kutuk-kutuk

Aya ciung, asup kanaparungpung, didodoho kukutuk-kutuk. Tapi pacok jeungcakar kutuk-kutuk téh teu nepika ciung, da jero parung-pungna. Kuttuk-kutuk téh an-tukna cicing baé di luar,ngaadago-dago kaluarnaciung.

Ciung geregeteun, bijilnapsuna. Pokna, “Éh, tukangmaéhan. Na aing téh kudusabar baé, ulah ngalawan kamanéh? Awas rasakeun kumanéh, apes-apesna tangtumata manéh hiji baé mahbakal jadi wadal!”

Sanggeus susumbar kitu,ciung téh tuluy bijil. Ari kutuk-kutuk ngajauhan, api-apisieun. Ciung susumbar deui,pokna, “Éh kutuk-kutuk, ma -sing ati-ati, ulah nyingkahsiah.” Karék gé pok kitu,kutuk-kutuk geus nyambermantén, ciung diranggeumtuluy dibawa.

Hartinaa ieu dongéng:lamun manéh diarah ku nupangawasana saluhureunmanéh, bisa kénéh nyumputmah mending tong dilawan.Mun wani-wani boa manéhbakal tiwas. Siga bonténgngalawan kadu, tangtu bon-téngna nu lebur.

(réngsé)

PieunteungeunKénging: R.H. Muhammad Musa

39Manglé 2464

Page 40: Mangle 2464

Manglé 246440

SSambungan ti kaca 25

dinya, alat-alat wiyaga sa-puratina diunggahkeunkana panggung. Lobaannu mantuan téh bubuhanIdi mah kaasup tokohnonoman di Cikondang.

"Hayu ka darieuheula." Idi ngabagéakeunOman saparakanca di-tuyun ka dapur sina terusnguah da geus moal boalapar tas nyorang lalam-pahan nu sakitu jauhna.

Atuh puguh baé nu di-ajak gariak, angot Si Oginmah ngahajakeunpangheulana. Basanaaméh ngabodorna segutloba dahar mah.

Da jeung saenyana nudalahar mani saregut,cugceg nyokotan deung -eunna nu sarwa ngeunahumumna di nu hajat.Carékna kokoro ma nggihmulud puasa manggihlabaran, abong geusheubeul teu ngambeupanggung. Ngan Nyi Icihnu caman-céméndaharna téh. Gawénanyabakan tikoro, cenahngadak-ngadak jadipeura.

Sabada isa, pidangancalung seja dipitembeyan.Minangka bubuka, tokohdi dinya biantara ngeu-naan pamaksudan nang-gap calung. Teu pohosanduk-sanduk kakaruhun.

Jongjon nu biantaranu panjang lébar, Pandijeung Oman tagiwurnéangan nu leungit.

"Néangan naon Pan?"Si Ogin hareugeueunnénjo nu lunga-lengo.

"Kulantér euweuhsadua-dua!" témbal Pandibari ngulincer ka madhab

papat panggung."Ambuing. Ari Kang

Oman?" tanya Si Ogindeui ka Oman.

"Panakol goong, burutéangan ka handapeunpanggung bisi dicoo baru-dak!"

"Gustiii.....!" Si Ogingogodeg bari jrut turunnéangan nu leungit.

Bating teu kapanggih.Kalacat deui unggah.

"Euweuh, Kang!"Oman geus teu nga-

bandungan deui nubiantara. Pikirna ulengmikiran kumaha peta rékmanggung, sedengkeunalat nu pangpentingnaleu ngit. Enya kulantér,sadua-dua. Kulantér téhkendang leutik dua rupa,nu hiji kulantér nangtungnu sok ditabeuh beulahkatuhu tukang kendangnu hiji deui kulantér nge-deng nu sok disimpentunjangeun suku tukangkendang.

Duanana penting,angot kulantér nantungmah unggal usik tepakkendang mangkatna tidinya.

Nya kitu deui panakolgoong, penting kabina-bina. Mun teu ditakol kuparagina nu meunangnyieun nu sasatna di-parancahan heula, soragoong moal mirasa, teubéda ti dahar teu dipung -kas ku nginum. Wuri-wuri ayeuna leu ngit.

Dalah di kumaha.Acara geus dipitembeyan,susuguh geus dihékak,duit pamanjer geus disa -kuan, malah geus diken-carkeun ka barudakcalung, nya tangtu pidan-

gan calung teu meunanghenteu kudu manggungbari teu geruh yén ayaalat waditra nu kacidapentingna aya nungagubug.

Teuing dedemit teu-ing manusa. Dedemitpantes, ceuk pamikirOman, da meureunngarumpak pamali.

"Wayahna Pan kudubisa nepak teu maké ku-lantér. Rarawatna wékencengan!" HaréwosOman ka Pandi barimanéhna gé satékahpolah rék nakol goongsakumaha mistina najanukur ngandelkeunpeureup. Pandi unggeuk.

Prung calung mang-gung. Nu lalajo,Gustiii...mani noyék,badis bobotoh Persib.Puguh baé nu di pang-gung jadi kasima. Demampanggung lain ukurbabasan. Angot barangréngréngan dibéjaan yénkulantér jeung panakolgoong leungit mah,haténa tagiwur lainmeumeueusan.

Rérés tabeuhanbubuka, ngong Nyi Icihngawih. Ana ngong, so-rana teu bijil kalahngayekyek nyabakantikoro, laju mundur barisasadu.

"Huuu...!" Nu lalajoéar ngécé, sawaréh deuisaleuseurian.

"Calung butut, calungbutut!" cenah. Teu kaliskitu, ka panggung aya ta-lawéngkar hiber .

Untung Si Ogincalakan, lain bodor atah-atah. Gasik manéhnangaluarkeun jurus bodor.

Teu burung nu lalajokaolo.

Nepi ka acara lekasannajan lalaguan ukursababaraha siki bari NyiIcih peura. Pandi kuduluut-léét késang nabeuhkendang satimu-timu tapitetep ngawirahma. Geuspuguh deui Oman mahbérés manggung téhhayoh baé mencétanleung eunna urut nabeuhgoong.

Acara lekasan. Najanaya ganjelan, sakitu mahkaitung nyugemakeun nuboga hajat. Isukna rom-bongan mulang kalayansalamet. Nu cilaka téhukur kulantér jeungpanakol goong nu leungit.

Pasosoré, dianteurbaturna, Idi norojol kaimah Oman.

"Hampura Man euyhampura!" cenah sa-datang-datang.

"Naon téa?""Ieu kulantér. Naha

atuh lain bébéja ti barangkanyahoan leungit?"

"Ari kitu ti manatimuna?"

Derekdek Idingadongéng. Cenah ayatatanggana, pamajikan -ana keur nyiram hayangnabeuh kendang. Kaben-eran aya tatabeuhan diteun Idi, nya si tatanggatéh milu mantuan nu-runkeun alat wiyaga téa.Jol ceg wé kana kulantérjeung panakol goong, lajudiringkid ka imahna barisusulumputan.

"Hampura Man, ham-pura!"

Oman tiba ngembangkadu.

***

Page 41: Mangle 2464

Manglé 246416

Warisan Ahmad Bakri suwargi(1917-1988) dikumpulkeun kuAjip Rosidi tina pidangan Man-

glé taun 1980-an. Kacipta pikandeleunanacenah upama disadapurankeun mah. Nyadibagi tilu. Jilid nu kahiji medal ahir taunkamari: “Sérial Ua Haji Dulhamid” Rong-géng Sajajagat.

Wangkongan ruruntuyan. Nu matakdisebut “séri” gé tanwandé lantaran kungsimidang kalayan matuh di hiji rohangan tihiji sumber. Aya kalana jejer wangkongannu ieu kasabit dina jejer wangkongan nuitu. Kalan-kalan séjén wangkongan séjéndeui jejerna. Nu sidik, unggal wangkonganbisa dibaca minangka karangan mandiri.Cara kumpulan carita pondok baé.

Dijudulan kitu téh ngindung ka salahsahiji judul karangan nu kapidangkeun.Eusina mah teu kabéh nyaritakeun rong-géng. Malah jejer nu éta mah ukur hiji duati antara tujuh welas karangan nu bisadibaca. Kumna mah prah baé jejerwangkongan sapopoé: ti ronggéng tepi kamalim, ti onom parat ka ménak.

Ari Ua Haji Dulhamid, nya éta nu nga-jejeranana. Dirariung ku batur salem-burna, para tatangga, nu nyarebut ua, tipoé ka poé, ti poko ka poko. Ngawangkongsalsé baé, taya sari-sari dines. Malah mahremen direumbeuy ku heureuy. Kacipta nuuplek ngobrol bari ngadu bako nyanghare-upan cikopi katut lalawuhna. Kasangnapilemburan, utamana cara nu karasa tinalentong nu ngawarangkong.

Nu nulis ieu koméntar teu kungsingalaman tepung jeung nu ngarang.Malah mah lungkawing jungkrang mangsanu misah-misahkeun generasi katut pasu-alanna téh. Kilang kitu, pogot baé nu aya.Maké jeung suka seuri sagala. Rérés macanu uplek ngawangkong téh bet terusdédéngéeun. Asa milu ngabandungan. Asahayang miluan. Asa kungsi ngalaman. Betjadi panasaran.

Wangkongan téa mah boa saruakolotna jeung kahirupan manusa. Nyasaha jalmana nu betah ngeueung soran-gan. Basa jadi rawayan, komunikasi jadikaperluan. Remen diandelkeun ti baheulagé wangkonan téh, pikeun nepikeun ru-paning pamaksudan. Plato gé ngaguar fil-

safat ku jalan dialog. Alim ulama nu haatnyerat sering ngandelkeun wandakarangan patakonan jeung jawabna.

Lebah préténsina mah, Ahmad Bakrigé cara nu réa. Cangkang dialog dipakémungkus maksud komunikasi. Ku hadirnaUa Haji Dulhamid, utamana, nu ngarangngudal piwulang, nepikeun atikan, kabalaréa nu maraca karangan-karanganana. Ana dilenyepan, lir panga-jaran moral dina wanda informal.

Figur Ua Haji Dulhamid, bawirasa,kasebut nenggang. Nenggang ku umurna,nenggang ku pangalamanana, nenggangdeuih ku kaweruhna. Éta sigana nu matakdiharaminan ku saréréa, sasat jadi réfer-énsi kaweruh koléktif. Baturngawangkongna kayaning Ahdi, Mahdi,Murtawi, Suhadi, Jang Toto, mana komoUtun mah, sasat ukur jadi alok.

Dina kahirupan masarakat anu pater-nalistik, figur samodél kitu teu pamohalanjadi otoritér: bentik curuk balas nunjuk,nganggap nu séjén sasatna instrumén.Atuh nu ngaruang-riungna, siga enya nga-haraminan, tapi saenyana aya nu dianjingcai.

Hadéna teu nepi ka kitu Ua Haji Dul-hamid katut tatangga-tatanggana mah.Ongkoh pan riunganna gé ukur wangkon-gan, lain gempungan. Éstu laluasa, teukabeungbeuratan ku momot naon-naon.Nya lebah dinya matak genahnangawangkong téh, paling copélna kituupama dibanding-banding jeung rapat.

Cara ilaharna nu geus ngagayuh kasepuh, Ua Haji Dulhamid sikepnadeukeut-deukeut kana sikep puritan dinaurusan agama, konservatif dina urusan bu-daya. Piwulangna sering ngiritik laku-lam-pah syirik kayaning nu munjung lantaranhayang beunghar atawa nu muhit ka juriglantaran hayang weduk. Jaipongan diang-gapna teu bina ti banjét, dogér atawa rong-géng, tepi ka nyebut “seniwati” ka nungibingna gé sari-sari sinis.

Enya gé teu weléh mulangkeun pa-nineungan, nyoréang ka “jaman ua” atawajaman baheula, tapi enas-enasna mahsasat milu mairan kaayaan jaman nalikaieu runtuyan wangkongan dianggit.

Contona baé, aya kasabit-sabit

kaayaan dina taun 1980-an nalika balaréaIndonésia geunjleung ku perkara “pétrus”(tina penembakan misterius), nya éta dite-lasanana jalma nu jarahat tayohna kuotoritas kaamanan kalayan caranelasanana éstu matak ngabirigidig.Perkara korupsi deuih nu kasabit-sabit téhkalayan alégori tina perkara “rampogkawasén”.

Munasabah sigana mun wangkonganAhmad Bakri dianggap salah sahijikoméntar Sunda kana masalah Indonésia.

Dina ngaguar bubuk leutikna masalahéstu beunghar sacara étnografis. Carahirup katut kahirupan di pilemburan TatarSunda kagambarkeun utamana dina caritanu kawadahan dina wangkongan atawacarita jero carita. Atraksi senina, sikepmasarakatna, jampé pamakéna, sajarahna,jeung réa-réa deui teu wudu kawadahan.Pon kitu deui rupaning babasan jeungparibasa milu ngawarnaan wangkongan.

Keur nu haat ngotéktak deui ajén-ina-jén nu tumuwuh dina kahirupanmasarakat Sunda, wangkongan AhmadBakri bisa meujeuhna dibaca.

Geus jadi ciri mandiri Ahmad Bakri,ana nyieun dialog pohara hirupna. Kuhirup-hirupna, ngabandungan nungarahul gé matak resep cara nu karasatina wangkongan “Malim Roban” nu cékpangrasa beunang disebut pangraménadina ieu koléksi. Unggal jalma nungawangkong nyarita sacarana-sacarana.Tara bet ngaleunjeur wangkonganna gé,teu weléh aya pungkal-péngkolna, remenkaselang ku rupaning interupsi, méméhbalik deui ka jejer wangkongan tepi kaanggeusna. Kitu baé, cara wangkongan nugeus prah dina hirup kumbuh sapopoé.

Tétéla lain eusina baé nu penting téh,tapi deuih cangkangna, wangkongan téa.Keur nu geus leungiteun komunalitasSunda, nu sok karasa dina suasanawangkonganana, Ronggéng Sajajagatasana bisa ngupahan. Malah boa éta pisannu ngalantarankeun sorangan bet pogotmaca ieu karangan.***

(Hawé Setiawan, Wakil Ketua PusatStudi Sunda; ngajar di Universitas

Pasundan)

Nu Mairan Jaman ku Wangkongan*Catetan kana Ronggéng Sajajagat

Ku Hawé Setiawan

KK oo ll oo mm

Page 42: Mangle 2464

41Manglé 2464

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

KKatumbiri

Hak Jawab PT. Perkebunan Nusantara VIII Kana Berita Manglé nu Judulna:

“Agroforesty Perkebunan Montaya Nyangsarakeun Waga Désa Sirnagalih”

Menganggapi berita yang dimuat pada Majalah Mingguan Basa Sunda “Manglé” No. 24589-14 Januari 2014 dengan judul seperti tersebut di atas (Agroforesty Perkebunan MontayaNyangsarakeun Warga Désa Sirnagalih-réd), dengan ini kami sampaikan klarifikasi dantanggapan sbb:

1. Di Pekebunan Montaya Afdeling Montaya II dari Blok Angkum Tanam Tahun Ini (TTI)dan Tanaman Belum Menghasilkan (TBM) Jambu Air Citra benar telah terjadi tanah longsordan menimpa 1 buah rumah warga dan 34 patok (1,36 Ha) pesawahan masyarakat KampungAngkum RT. 03 RW 07 Desa Sirnajaya (di Mangle tertulis Desa Sirnagalih) Kecamatan Gu-nunghalu.

Perlu kami sampaikan bahwa setelah mendengar kejadian tanah longsor tersebut, Petugasdari Perkebunan Montaya langsung meninjau lapangan dan melakukan inventarisasikerusakan yang ditimbulkan. Selanjutnya menyampaikan laporan ke Kantor Pusat dan me-ngajukan Dana Bantuan Bencana Alam dari anggaran CSR dan langsung ditindaklanjuti olehKantor Pusat. Bantuan perbaikan jalan serta bantuan dana telah diterima masarakat yangmengalami kerugian akibat adanya tanah longsor tersebut. Areal yang longsor dengan arealpenebangan pohon berbeda, sehingga tidak benar bahwa penebangan tersebut menyebabkantanah longsor di Kampung Angkum RT. 03 RW 07 Desa Sirnajaya Kecamatan Gununghalu.

2. Perihal penanaman pohon Jambu Air Citra adalah program perusahaan dalam rangkaoptimalisasi lahan (asset) sekaligus kelestarian lingkungan, dan itu murni dari biaya perusa-haan. Jadi tidak benar Program Penanaman Jambu Air bantuan dari Gubernur Jawa Barat.

Perlu kami sampaikan pula, bahwa dalam pengelohan perkebunan baik itu komoditas Tehmaupin komoditas yang lain, kami selalu sesuai dengan aturan dan kaidah-kaidah konservasi,sehingga tidak benar kalau penanaman Jambu Air menyababkan tanah longsor.

3. Penebangan kayu yang dilaksanakan Kebun Montaya adalah pohon kayu AcaciaMangium tahun tanam 1991 di lahan HGU PTPN VIII yag saat itu dikerjasamakan denganMasyarakat yang dituangkan dalam Surat Perjanjian yang ditandatangani oleh Kedua belahpihak (Masyarakat Penggarap dan Perkebunan Montaya) disaksikan oleh Ketua RT/RW dandiketahui oleh Kepala Desa dengan tanaman Albazia (Jengjeng). Sehingga tidak benar PTPNVIII (Kebon Montaya) menebang tanaman kayu Albazia milik masyarakat.

Tanaman Albazia kerjasama antara masyarakat dan Kebon Montaya telah dipanen/dite-bang pada pertengahan tahun 2012 dengan pembagian hasil sesuai dengan yang tertuangdalam Surat Perjanjian.***

Page 43: Mangle 2464

Manglé 246442

KKatumbiri

Kepolisian mangrupa lem-baga anu boga tanggungjawab kana katengtreman

jeung katartiban balaréa. Ayanapanggeuing ti Kapolda Jawa Baratngaliwatan rékoméndasina,sangkan tempat-tempat hiburanpeuting di Kota Bandung kudu di-wates nepi ka jam 12 peuting, kududiréspon ku Pamaréntah Kota Ban-dung ku cara medalkeun Perwal(Peraturan Walikota) sarta

ngarévisi Perda nu aya tumalinajeung tempat hiburan.

“Urang ulah cangcaya kana pa-mendak Bapa Kapolda anu paran-tos legok tapak genténg kadék dinanyiptakeun katengtreman sarengkaamanan di saban daérah, kalebetdi kota Kota Bandung,” kituditétélakeun ku Anggota DPRDKota Bandung ti Fraksi PPP, H. LiaNoer Hambali SIP, ka Manglésawatara waktu nu kaliwat.

Minangka lajuninglaku tinarékoméndasi Kapolda Jawa Barat,Fraksi PPP DPRD Kota Bandungsarta Ormas Islam, luyu jeung aspi-

rasi nu kungsi diperjuangkeun dinataun 2000 pikeun ngaminimalisasikajahatan di Kota Bandung nu sokkajadian ti peuting, aya dua usulannu diajukeun ka Walikota Bandung.Nu kahiji, sagancangna medalkeunPerwal (Peraturan Walikota) ngeu-naan jam operasional tempat hibu-ran di Kota Bandung diwates nepika jam dua belas peuting. Nukadua, ngarévisi Perda No 7 taun2012.

Ceuk Lia, umat Islam ulah kabo-bodo ku jalma-jalma anu merta-hankeun tempat hiburan peuting diKota Bandung kalawan alesan ka-

PPP Ngarojong KapoldaNgawatesan Jam Hiburan

Tempat hiburan peuting kudu diwates nepi ka jam dua welas (nét)Hiburan peuting leuwih réa mudorotna tibatan mangpaatna (nét)

Fraksi PPP & tokoh agama ngadukung rékoméndasi ti Kapoldapikeun ngawates hiburan peuting

Anggota DPRD Kota Bandung ti FraksiPPP, H. Lia Noer Hambali SIP

Page 44: Mangle 2464

43Manglé 2464

padulian ka pangusaha nu kaku-rangan panghasilan sarta nasib pa-gawé di éta tempat hiburan.Lantaran tempat gawé jeung lahanpagawéan di Kota Bandung, salianti di tempat hiburan, masih kénéhréa tur bisa leuwih dioptimalkeun.

Walikota Bandung nu bogawewenang, kudu wani ngaluarkeunkawijakan geusan ngawates jam op-erasional tempat hiburan peuting.Walikota ogé kudu sagancangnamadungdengkeun révisi PerdaKepariwisataan, pikeunnyalametkeun ahlak generasi ngoraKota Bandung. Ruksakna ahlakgenerasi ngora Kota Bandung kuayana tempat hiburan peuting,moal bisa diubaran ku duitsabaraha baé ogé. Malah munperlu, Walikota ogé kudu waninyieun wacana pikeun ngahapussacara total tempat hiburan peutingdi Kota Bandung.

Lia anu ogé kacatet minangkaanggota Komisi A DPRD Kota Ban-dung, nandeskeun, tempat-tempathiburan peuting di Kota Bandungsaperti “pub”, diskotik, jeungkaroké kawilang untung masihkénéh meunang buka nepi jam duawelas peuting ogé, ku ayanatoléransi ti umat Islam. Da lamunngudag kana misi Kota Bandungminangka kota agamis mah,kuduna hiburan peuting nu réamadorotna téh dileungitkeun.Salian ti éta, mun ditilik tina PAD(Pendapatan Asli Daerah ), pang-hasilan tina tempat hiburan peut-ing kawilang leutik, kira-kira Rp. 11miliar, tapi pangaruhna kanakarusakan ahlak generasi ngora turnumuwuhkeun kajahatan liannakawilang rohaka. Karugian sarupakitu éstu teu bisa diitung ku matéri.Lian ti kitu, éta hal ogé jadi rérén-téng nu kacida ruhitna dinangabina umat, utamana ngatikjeung ngadidik barudak ngora. Kukituna, ngawates jam operasionaltempat hiburan téh teu kudu di-pakaitkeun jeung turunna PAD.

Fraksi Partai Persatuan Pem-bangunan ngadesek Walikota Ban-

dung pikeun sagancangna ngarévisiPerda (Peraturan Daerah) No.7taun 2012 ngeunaan prak-prakankagiatan kapariwisataan, nyéta“révisi terbatas husus jam opera-sional”, sakaligus ngarévisi agéndaPROLEGDA Catur wulan kahijitaun 2014, kaasup agénda pemba-hasan révisi éta Perda.

Masarakat Kota Bandung mé-mang butuh hiburan, tapi hiburannu teu ngaruksak ahlak generasingora. Ku kituna, kapanujuan kanarékoméndasi Kapolda Jawa Baratpikeun ngawates jam operasionalhiburan peuting nepi ka jam 24.00

WIB téh, kudu dibaca minangkatolérasi ti umat Islam. Tapi lamunhal éta ditolak, PPP bakal toh patijiwa raga metakeun tarékah nepi kamedal Perda anyar anu ngalarangsacara total tempat hiburan peutingdi Kota Bandung. Lantaran geuslain rusiah deui, yén tempat hibu-ran peuting di Kota Bandung, dinaprak-prakanana réa nu méngpartina aturan, alatan lemahna pen-gawasan ti Dinas Pariwisata sartalemahna ketak pikeun nanjeurkeunhukum ti pihak Satpol PP KotaBandung.***

Cucu/Dédé

CynthiaNgécéng Pasar Internasional

Sabada ngaliwatan proséswaktu kurang leuwih sataun,enggoning nataharkeun dua

lagu anyar, “I Say” jeung “Tak AdaJawabnya”, “disounding” leuwih ti100 radio sa- Indonésia, albeumpop dina basa Inggris jeung In-donésia bogana Cynthia, resmidipedalkeun sawatara minggu katukang di Eéodus Café, KuninganCity Mall, Jakarta Selatan.

“'Manah ngaraos reugreug,sabada bajoang méh sataun nata-harkeun ieu albeum ,” ceuk ieupanyanyi ti Kota Bandung, nungaran lengkepna Cynthia IvanaSari Hudaya.

Éta albeum anu dilébelan “LoveAcoustic” midangkeun opat lagudina basa Inggris jeung dalapanlagu basa Indonésia. Dua lagu diantarana, “I Say” jeung “Tak AdaJawabnya”, vidio klip-na diolah kusutradara kahot, Rizal Mantovani.Nu jadi modélna ogé lain joré-joré,aktor petingan Mischa Chandraw-inata.

ceuk H. Dose Hudaya SE SHMH, produsér nu ogé nyiptakeunsakabéh lagu nu aya dina éta al-beum “Love Acoustic”, DH Produc-tion minangka label anu mayungan

Cynthia ngahaja medalkeun lagu-lagu dina basa Inggris, lantaransalian ti ngécéng pasar di urangtéh ogé ngécéng pasar di luarnegeri.

“Pemasaran internasional dinaformat digitalna dikokolakeun kuPromomusicindo nu markasna diLondon. Demi pamasaranfisikalna mah ku Life Record numarkasna di Singapur sarta ngabo-gaan jaringan global,” pokna.***

nay

Page 45: Mangle 2464

Manglé 246444

KKatumbiri

Sunda Binangkit téh man-grupa éven Mitra BarayaSunda pikeun média silatu-

rahmi, babarayaan (kopi darat),paméran usaha UMKM, sarta nga-mumulé seni budaya Sunda. Sacaragurat badagna saperti kagiatan nudilaksanakeun dina tanggal 9Pébruari 2014 di Teater TerbukaPadepokan Seni Mayang Sunda,Jalan Peta 209 Bandung, disadi-akeun jongko/stand produk/usahanu dikokolakeun ku baraya.

Éta kagiatan nu dibarengkeunjeung milangkala Komunitas Bany-olan Sunda nu ka-5 téh, haritamagelarkeun ogé kasenian Sundasaperti calung, karinding, jaipon-gan, musik Galengan Sora Awi,Sudong(Sulap Dongéng) TaufikFaturohman, Sundanis HiphopSunda, sarta dipungkas ku pinto-nan utama ti Dinasti Darso (Yayan

Jatnika, Asep Darso, Ujang Darso ,jeung grup calungna). Lian ti éta,aya ogé tawis pangajén (lifetimeachievement) nu dipasrahkeun kakulawarga almarhum Kang Ibing,Wa Kepoh, jeung kulawarga Darsoanu ageung jasana dina ngamu-mulé jeung ngamekarkeun seniSunda. Éta éven bakal jadi kagiatanmaneuh Baraya Sunda nu bakal di-pasrahkeun sacara bagilir ka parainohong sastrawan Sunda, peng-giat komunitas Sunda, aktivislingkungan hirup,sarta penggiatkasundaan lianna.

Tujuan acara Sunda Binangkitnu sajalan jeung visi-misi MitraBaraya Sunda, nyaéta minangkakomunitas jaringan pemberdayaanmasarakat dina widang usaha,atikan, sosial, jeung seni budayaSunda. Kitu cek pupuhu panitia,Irfan Arifuddin, ka Manglé.

Kagiatan riung mungpulungalias kopi darat, Irfan ngémbohan,geus jadi kagiatan maneuh dinadunia jejaring sosial. Kitu deui Ko-munitas Mitra Baraya Sunda anungadeg tina wawanohan anggotaGrup Facebook Banyolan Sunda.Anggota Baraya Banyolan Sundakasangtukangna ngawengku tinarupa-rupa profési, sagala umur,jeung pendidikan saperti dosén,bankir, PNS, pangusaha, tentara,pulisi, seniman/artis, wirausa-hawan, bodor, supir, sastrawan,panulis, pelajar/mahasiswa, iburumah tangga nepi ka progamerkomputer. Anggotana nu umurna15 taun nepi ka 70 taun téh sume-bar di sakuliah Jawa Barat, luarpulo Jawa, nepi ka mancanagara.

Lian ti kitu, Mitra Baraya géremen ngayakeun kagiatan pelati-han/”workshop” (even organizer),pamekaran usaha jeung per-modalan, latihan nulis, internét,jsb. Nu lianna aya ogé penerbitan(medalkeun buku, majalah, “pub-lishing service”, brosur produkanggota, jsb), “inkubator”, nepi kanyieun “website” di dunya maya.Pikeun widang seni budaya mahMitra Baraya Sunda gawé barengjeung panyanyi-panyanyi Sunda,kampung adat, ogé komunitas seniSunda. Dina gawé bareng jeungpenyanyi Sunda mangrupa pem-berdayaan seniman jeung wadahaprésiasi pikeun baraya. Hallianna, nyaéta nyieun programngajual albeum-albeum lagu Sundaka anggota kalayan niat pikeunmerangan pembajakan kasét/VCDlagu-lagu Sunda.***

Asép GP

Sunda Binangkitjeung Mitra Baraya Sunda

Tawis pangajén ka kulawarga seniman Sunda (Asép GP)

Page 46: Mangle 2464

45Manglé 2464

Pemberdayaan masarakat bisadilaksanakeun ku cara nga-jalankeun prioritas, strategi,

sarta métode anu merenah sangkansaban rupia anu dikaluarkeun pikeunpangwangunan karasa mangpaatnaku masarakat, sarta aya pangaruhanu positip ka daérah atawa kamasarakat di sabudeureunana. Pang-wangunan téh ogé kudu mikirkeunrohangan jeung gerak pangwangu-nan anu manjangsinambungan dinamangsa nu bakal datang. Éta halditétélakeun ku Kepala Badan Pem-berdayaan Masarakat dan Pemerin-tahan Desa (BPMPD) Provinsi JawaBarat, Drs. H. Dede Rusdia MAP,dina acara Bimbingan téhnis Pelak-sanaan Peningkatan InfrastrukturDasar Perdesaan dan Rehab KantorDesa, di Grand Hotel Lémbang,sawatara waktu nu kaliwat.

Ceuk Dede Rusdia, éta pangwa -ngunan téh neueul kana visi “JawaBarat Maju dan Sejahtera UntukSemua”, kalawan misi ngawangunmasarakat anu punjul kualitasnasarta boga daya saing, ngawangunkahirupan ékonomi anu ajeg-pancegtur adil, ngaronjatkeun ketak gawépamaréntahan ngaliwatan profésion-alismeu tatakelola sarta ngajembaranpartisipasi publik, ngawujudkeunJawa Barat anu tumaninah ku pang-wangunan infrastruksir strategis anumanjangsinambungan; jeung nga-jegkeun kahirupan sosial ka-masarakatan ku cara ningkatkeunperan pamuda, olahraga, seni, jeungbudaya dina wengkuan kaaripanlokal.

Sangkan prak-prakan ngalak-sanakeun program kagiatanningkatkeun infrastruktur dasarpadésaan sarta réhab kantor désabisa aya mangpaatna pikeunmasarakat, sarja bisa migancang suk-

sésna pangwangunan désa anu bakalngarojong suksésna pangwagunankacamatan, kabupaténkota,provinsi,sarta ahirna bakal ngarojong ogékana pangwangunan nasional, ayasababaraha jurus jeung métoda, diantarana “pendekatan pertumbuhanwilayah”, pangwangunan désa teuweléh nyoko kana kamekaranwilayah anu geus dirarancang ku pa-maréntah, nu biasana kaunggel dinatata ruang reana pembangunanjangka panjang (RPJP) jeung ren-cana jangka menengah (RPJM). Ogémétoda pangwangunan Désa Ter-padu (PDT), éta métoda sasarananasadésa dilaksanakeun sacara terpadudi antara para OPD jeung para pe-mangku kapentingan séjénna.Rarancang, prak-prakanana, sartangadalikeunanana dilaksanakeunsacara pertisipatif babarengan jeungmasarakat. Éta métoda bakalngadorong kamekaran désa anu

manjangsinambungan sarta nga-hasilkeun kamekaran désa anu katatakalawan hadé, boh tina tata pa-maréntahan boh tina tata pangwa -ngunan jeung tata masarakatna.

Mekarkeun Pusat PertumbuhanTerpadu Antar Desa (PPTAD)sasaran pangwangunan antarasababaraha désa. Éta métoda bakalnumuwuhkeun numuwuhkeun“small town-small town” anyar, anubisa ngungkulan pasualan urba -nisasi.

Pamungkas, pangwangunankawasan padésaan nu nyoko kanakahirupan masarakat. Éta métoda di-paké pikeun ngawangun hiji kawasananu ngahasilkeun hiji produk, saluyujeung poténsi kawasan (sababarahadésa mibanda poténsi anu sarua) nunyoko kana kabutuhan masarakat,misalna kawasan peternakan,agrokultur, jeung sajabana.***

éép

Pangwangunan DésaKudu Manjang

Pangwangunan désa kudu aya mangpaatna tur manjangsinambungan (nét)

Page 47: Mangle 2464

Manglé 246446

IImplik-implik

Obrolan téh diselang ku jentréngk a c a p i . N g a h a l e u a n g k e u nrumpaka tembang, nu nyabit-

nyabit lalakon Lutung Kasarung, nyari-takeun nagara Pasir Batang anu girang.“Nu nembe mah kalebet lagu buhun,”ceuk Tan Deseng bari jentreng-jentrengmetik kacapi.

Wangkongan téh ngaler-ngidul, nganjejerna mah, matok kana seni Sunda ka-asup kamekaranana di masarakat Cina.“Nu biasa ngiring latihan rampak sekar géaya kana saratusurang mah,” poknawaktu ngobrol di bumi pamatuhanana diKomplek Holis Permai, Kota Bandung,Jawa Barat.

Ngawangkong téh sawatara waktu katukang, waktu hujan miripis pabeubeu-rang. Ngan, najan hawa Bandung keur-tiris, tayohna teu jadi panghalang keur numitineung kana budaya Sundamah.“Seueur nusumping ka dieu,umum-namah latihan sareng ngobrolkeun kabu-dayaan Sunda,” ceuk ieu tereuh Bandungnu lahir taun 1942 téh.

Hirup di lingkungan Sunda, Tan De-seng keur budak mah, ulinana gé jeungbarudak Sunda. “Teu ngarasa benten tibarudak sanésna, da lahir gé apan di Ban-dung,” pokna nyoréang mangsa katukang.

Di lembur gé, baheula, di wewengkonPasar Baru ayeuna, nyarita téh basaSunda wé. Matak, cenah, teu sing tu-mamu ulin jeung babaturan gé. Tinalingkungan nu umumna urag Sunda,

sarta sapopoé nyarita basa Sunda, keurTan Deseng mah, teu sing ngarasa béda tiurang Sunda umumna. “Kumaha atudapanginten cai nu kaleueut ,sari-patitaneuh nu katuang, hawa nu kaseuseuptéh sadayana gétina lingkungan tatarSunda. Atuh, Sunda tos jadi kulit jadi da-ging!” pokna bari nepakan leungeun ken-cana ku nu katuhu.

Katineungna kana seni Sunda, ngakarti leuleutik. Beuki lila beuki panasaran,hayang leuwih wanoh kana Sunda. Atuh,tetelepek wé sarta rajin buca-baca. Malah,remen pisan ngalanglang palemburanSunda néangan padumuk lembur nuayadi kampung singkur. “Ngarasa bagjaurang Sunda boga padika hirup, silih asahsilih asih, silih asuh,”pokna.

Lian ti eta, cenah, urang Sunda téhsurti, bisa ngararampa rasa pihaksejen.Bisa ngaragap haté batur.Pasipatankitu, ceuk Tan, bisa ngukur laku-lampahsangkan teu matak nganyerikeun batur.

Tan Deseng percaya, manusatéhdibekelan padika hirupmasing-mas-ing. Cenah,upama tatapakan hirup nukagambar dina budaya masing-masingtéa heug diparaké, tangtu bakal mawamangpaat. “Urang Sunda gé atuh tetep wékedah nganggé budayana, upama hoyongmajeng mah,” pokna deui.

Ketak Tan Deseng dina maké budayaSunda, disebarkeun ka pihak séjén. Nyatangtu, cenah, luyu jeung kabisaatawakaresep masing-masing. Ku lan-taran kitu, dina nyebarkeun budaya

Sunda gé, ieu urang Bandung téh, leuwihmilih pakalangan kasenian.

Dina sual kasenian, mémang teubireuk deui. Ngaran Tan Deseng remenjadi bukur catur mun obrolan nyabit-nyabit seni Sunda. Loba kabisana, dapuguh muhit ti leuleutik. Lalampa-hanana kitu teu gaplah, Tan Deseng ka-asup seniman Sunda nu remenmakalangan, lain waé di lembur Sunda,tapi deuih sacara nasional jeung interna-sional.

Kabisana kawas kitu, meunang pang-bagéa ti balaréa. Pangajén gé lain ukur tiPamarentah Jawa Barat, tapi deuih nusipatna nasional, saperti sababaraha kalimeunang pangajen ti Presiden. “Bingahwé aya nu ngajénan mah,” pokna.

Pangajén ti masarakat gé teukurang-kurang.Tan Deseng jadi kaseundeuhanku balaréa.Teu jarang inohong jeungmasarakat sejen gé daratang ka tempatpangajrekanana. Sapertibasa Manglenepungan Tan Deseng sawatara waktu katukang, di dinya téh nyampak sababara-haurang tamu,saperti Dr. Sunatra, M.Pd.,Deni Wahyudin, SE., MM., jeung DetyMulyanti, S.Pd.,M.Pd. Nu tiluan bieu tehwarga Bandung nu gedé katineungnakana Budaya Sunda. “Budaya téh kedahleres-leres dipiara ku pamarentah,” ceukDr. Sunatra, S.H., M.S., Dosen FakultasIlmu Pendidikan Unversitas Pasundan(Unpas), Bandung.

Ceuk tilikan Sunatra, kanyataanana,kurang pisan perhatian pamarentah kana

Seni Sundadi Masarakat Cina

Naon anéhna lalaguan Sunda di-haleuangkeun dina rampak sekar ?

Ngan, mun éta lalaguan téh di-haleuangkeun ku seler bangsa Cina,

meureun beda ti biasa! Tah, nu kawaskitu téh, remen kasaksén dina pintonan

nu diluluguan ku Tan Deseng.***

Tan Deseng, seniman Sunda

Page 48: Mangle 2464

47Manglé 2464

budaya téh.Najan geus aya regulasina,saperti Peraturan Daerah (Perda), mis-lana, apan tetep we larapna mah, teujinek.“Pangpangna nu tumali sarenganggaran nu kirang pisan teh,” pokna.Lian ti kitu, cenah, perhatian pamaréntahka seniman/budayawan gé kurangkacida. “Padahal, kawajiban pamaretahngarojong hirup-huripna budayawantéh,” pokna.Lantaran apan senimanatawa budayawan téh gedé jasana keurbalaréa, kaasup nguatan karakater atawapasipatan hadé bangsa.

Pamanggih Sunatra kawas kitu, di-haminan ku Deni Wahyudin, SE., MM..Da, sabenerna mah, kari kumahapatékadan pamarentah wé.Sual waragad,ceuk Deni, upama mémang diang-garkeun, kalayan jinek makena, tangtu kusenimanbudayawan gé bakal karasa.“Ngan, nu jadi pasualan ayeuna mah, teujelasna kanyaah pamarentah kana bu-daya masarakat ogé ka seniman/ bu-dayawanna,” pokna.

Kitu deui ceuk Dety Mulyanti, pa-marentahkudu daria nalingakeun budayamasarakatna. Tangtu deuih, sabenernamah, pihak legislatif deuih nu kudu sadarkana pentingna buadaya masarakat téh.“Apan, lian pancen nyieun aturan,nyaluyuan angaran, oge ngontrol pancen-gawe pamaretah,” pokna. Hartina, ceukieu lulusan Pascasarjana UPI teh, upamaaya hal-hal nu dianggap kurang merenah,kaasup nu tumali jeung budaya, sawadinapara aggota dewan gé bisa ngungku-lanana.

UpamaSunatra, Deni, jeung Detykataji ku kadaek Tan Deseng, lantaran etaseniman téh, nembongkeun kadariananadina ngammuleseni Sunda. Ketaknakawas kitu, ceuk Sunatra mah, lain ukurngarojongkamekaran seni, tapi deuihjadisalah sahiji conto nyata kahirupanmasarakat Jawa Barat nu rukun jeungsilih ajénan. “Tah, ketak Tan Deseng kitugé janten pangrojong kuatna duduluranmasarakat di Jawa Barat,” pokna.

Ngajak bari PraknaKanyaah Tan Deseng kana budaya

Sunda lain ukur sadirieun. Inyana ‘nga-jakan’ nu sejen sangkan milu jeung an-crub miara jeung mekarkeun budayaSunda. Kitu téh, lain ukur di lingkungankulawarga, tapi deuihka masarakat Cinaséjénna. “Pangbagéa ti nu diajak cekapsaé,” pokna.

Buktina, apan nu miluan kana seninagé aya kana ratusna urang.Rupa-rupakaresepna gé, di antarana miluan ngade-gung, ngacapi, rampak sekar, jeung saja-bana.

Ku ketak Tan Deseng kitu, jadi cukanglantaran sélér Cina séjénna nu dumuk di

Bandung gé leuwih wanoh kana budayaSunda. Malah, lain ukur kana seni Sunda,tapi deuih kana adat-sitiadatna. “Nyarar-ios gé apan biasa wé nganggo basaSunda,” ceuk ieu urang Bandung nu lahirtaun 1942 téh.

Ketak Tan Deseng kawas kitu, lobanu katajieun. Antukna, inyanatéh jadisalahsaurang seniman Sunda nu ‘dibali-tungkeun’ di masarakat Sunda. Remenminton dina rupa-rupa acara, kaasupdina kagiatan pamaréntahan.

Upama Tan milih ‘nyeniman’, me-mang panggero haténa. Baheula, ramanamah mikahyang Tan jadi padagang.Harita, keur ngora, taun 1960-an, kungsidiajar dagang, malah meuntas ka Sumat-era sagala. Ngan keur di ‘peuntas’, peut-ing-peuting téh sok tibelat ka Bandung.

Dina kaayaan kitu, karesepna téhnyetél Radio Republik Indonesia (RRI),

pangpangnamah ngadédéngékeun Tem-bang Sunda. Ku remen ngabandungantembang, teu kaampeuh, hayag deui mu-lang ka Bandung. Geus di tatar Sundamah, karesepna kana seni Sunda dipajudeui, lana nepi ka ayeuna.

Ancrubna kana seni Sunda, Tan De-seng ngarasa boga kasugemaan batin.Saha waé nu nanggap, teuweléh ‘di-ladangan’. Sual ‘tarip’? Bisa babadamian,antara Tan jeung pihak nu nanggap. “Tarajanten masalah sual waragad pintonanmah,” pokna teu weléh mesem.

Pasipatan kitu, lain taya ‘masalah’keur kulawargana mah. Da, tinangan-delkeun ‘nyeniman’ Sunda, can kadugaboga padumukan sorangan. “Masihangger keneh janten ‘kontraktor’,” poknadibarung banyol. Enya, cenah, imah nudicicingan lain anuna, da ukur ngontrak.

***

Deni Wahyudin, SE., MM., Dr. Sunatra, SH., MS sareng Dety Mulyanti, S.Pd., M.Pd.

Nyebarkeun Sunda di sélér Cina

Page 49: Mangle 2464

Manglé 246448

GGedong Saté

Pamarentah kabupaten/kotadipentes kudu daria dinangalaksakeun program Jaminan

Kesehatan Nasional (JKN). Kitu tehpenting supaya sakumna masarakathususna anu ‘teu mampu’ bisangarasakeun palayanan kasehatan anudilaksanakeun ku Badan Penyeleng-gara Jaminan Sosial (BPJS).

Anggota Komisi E DPRD JawaBarat Yod Mintaraga nete-lakeun, seriusna pa-marentah kabupaten/kotabisa dibuktikeun ku carangalokasikeun anggaranpikeun pendaptaranmasarakat anu teu mampusangkan bisa meunangJKN. Warga miskin diJabar téh nepi ka 19 jutajiwa leuwih, sakabehna ieudipiharep bisa meunanglayanan JKN.

Diperlukeun anggaranRp 4,4 triliun per taunsangkan sakabeh wargaanu teu mampu di Jabarbisa dilayanan make JKN.

"Ieu téh mangrupitanggung jawab sasare-ngan, boh pamarentahpuseur, provinsi, oge kabu-paten/kota," pokna.

Program JKN keurwarga anu teu mampu diJabar ieu, pamarentahpuseur geus nyiapkeunanggaran Rp 3,4 triliun.Jumlah ieu saimbangjeung waragad premi keur14 juta leuwih warga anuteu mampu.

"Janten kinten-kinten14,7 juta warga miskin diJabar tiasa dicover ku pa-marentah puseur. Wargamiskin anu teu acan ka-cover aya kana 4,7 juta

langkung, tah ieu anu kedah dibiayaanku pamarentah provinsi sareng kabu-paten/kota," pokna.

Pamarentah provinsi, nurutkeunYod, dina APBD 2014 ieu geus ngang-garkeun Rp 92,6 miliar keur programjaminan kasehatan masarakat.

"DPRD ngarojong pisan kanatarekah nyukseskeun program JKNieu. Katambihan deui DPRD téh

toslami tatahar nyiapkeun perdaperkawis jaminan kasehatanmasarakat," pokna deui.

Kusabab kitu, DPRD Jabar mi-harep pamarentah kabupaten/kotakudu sumanget jeung tekad anu saruadina enggoning mere layanan kase-hatan ka masarakat. Yod mihareppisan sangkan pamarentah kabu-paten/kota sagancangna ngadap-

tarkeun sakabeh warga anuteu mampu sangkan bisameunang layanan programJKN.

Pamarentah puseurnargetkeun dina 2019hareup sakabeh warga In-donesia bisa meunanglayanan JKN,

“Sim kuring miharepwarga Jabar tiasa kenginglayanan JKN ieu dina wak-tos anu henteu patos lami,kumargi kitu kedah ayakasariusan ti pemkab,tangtosna ge pembagian(pembiayaan premi JKN)kedah proporsionalantawis pemkab sarengpemprov. Supados sadayawarga tiasa kenginglayanan, jadi JKN ieu téhtiasa karaos ku sadayawarga Jabar, hususnaanuteu mampu," pikna pinuhharepan.

Ngeunaan kasiapanrumah sakit dina merelayanan program JKN, nu-rutkeun Yod kudu aya hijisistem regulasi anu ngaturhal ieu. Lian ti sisikalengkepan fasilitasrumah sakit, kudu aya ogepaningkatan kualitas sum-ber daya manusia.***

(AS)

Harepan Jawa BaratNalingakeun Kasehatan Masarakat

Ngabebenah Puskesmah salah sahiji tarekah pikeun ngaronjatkeunlayanan kasehatan

Rohangan rawat pasien anu kudu tetep kudu dipiara

Page 50: Mangle 2464

49Manglé 2464

“Kang Demar, ayeunanuju usum capres,kumaha tah kinten-kin-tenna lolongkrang urangSunda dina pencapresan2014 pami dibandingkeunsareng urang Bugis-Makasar, Solo, Aceh,atanapi urang JawaWetan?”

Kitu salah sahijipatalekan nu kabaca dinaBBM grup nu diiluan kupanulis. Memang, kiwaridina awal taun 2014 wartadina media massa cetakjeung elektronik didomi-nasi ku paguneman ngeu-naan bakal calon presidennu bakal tandang dinakontestasi Pemilu Presi-den 2014.

“Soal capres. Tongnaroskeun ka KangDemar, margi anjeunnamah teu gaduh partey pulitik,” Ceukbabaturan nu sejen milu ngomen-taran.

Jawaban eta ngagambarkeunhiji kanyataan yen demokrasi nukeur lumangsung ieu basisnanyaeta para pemilik “lapak” parteypulitik. Kacida wajarna lamun prak-tik demokrasi nu keur disorang kuIndonesia pasca-Orde Barunekenkeun kana prosedurberdemokrasi.

Kecenderunganana, demokrasijadi kacida formalistik jeung nor-matif atawa saukur nohonan prose-dur formal jeung norma-normaaturan nu geus disaluyuan ti saa-canna. Pasualan substansi jeungkualitas berdemokrasi jadi teu pri-oritas.

Badis dina dunya “perjudian”, silapak teh aya nu bogana jeung ayanu ngawasana, para “pejudi” pating

torojol datang pili genti ngadu nasib. Tah, dina konteks demokrasiberbasis lapak, para caleg oge liribarat para “pejudi” nu datang kalapak-lapak partey pulitik.

Maranehna ngadatangan parapenguasa partey pulitik, ngadunasib sangkan meunang kasem-petan “bertranformasi” asup kanalembaga-lembaga suprastrukturpulitik, boh badan-badan perwaki-lan rayat atawana pos-pos kapalapamarentahan. Dimana atuh caric-ingna warga nagara para pamiliksoara nu cenah berdaulat teh?

Dina demokrasi berbasis lapakmah ayana rayat atawa publik tehdimomorekeun, diapilainkeun.Rayat nu boga soara teh dianggapteu beda ti satambruan dagingjelema nu nominal sipatna.Rayatngan ukur diperlukeun soaranademi ngagemblengkeun/nga-

jangkepkeun prinsip-prinsipdemokrasi prosedural.

Kadaulatan rayat nu di-canangkeun salaku bageantina demokrasi substansialgeus ngageser jadi kadaula-tan elite. Kadaulatansabagean jalma-jalma nu di-anggap panguasa lapak nungaranna partey-partey puli-tik.

Daulat rayat ngan kariutopia sabab dina kany-ataanana anu tandang tehngan ukur daulat elite jeungdaulat kolompok-kolompokpanguasa lapak-lapak parteypulitik.

Dina konteks nu jiga kitu,kacida kahartina lamun seugkahadiran jeung fungsinajadi kahemeng publik.Partey-partey pulitik bakal karasaaya hadir dina mangsa“event-event” pemilu, boh

pemilu legislatif, pemilu presiden,atawana pemilu kapala daerah.

Bareng jeung eta, dituturkeunku rawuhna para pamilik lapak,para perantara, jeung para pang-guna lapak. Tangtuna dina kontekssaperti kitu, logika nu hadir nyaetalogika hubungan transaksional keurngaraeh kakuasaan.

Tah mungguh saperti kitudemokrasi berbasis lapak nu nepika kiwari terus-terusan lumang-sung teh. Rayat mah ngan ukurlalajo dina sisi lapak demokrasi nukacida mekanistik prosedural jeungmanipulatif. Mugia urang bisa gan-cang-gancang kaluar tina suasanademokrasi berbasis lapak. Cag ***

(Dede Mariana (GuruBesar Ilmu PemerintahanUnpad))

Nu Ngaradu NasibDina “Demokrasi Pemilik Lapak”

Page 51: Mangle 2464

Manglé 246450

BBalé Bandung

Nepi ka kiwari, pers Sundatacan ngalalakon minangkalembaga nu ngawal jalanna

proses demokratisasi di tatar Sunda.Upamana wae, nepi ka mana hasilnapilkada nu geus dijalankeun sabanlima taunan, naha geus ngahasilkeunpara wakil rahayat jeung kapaladaerah nu mampuh ngaraharjakeunmasarakat?Lebah mana atuh halan-gan harunganana, nepi ka tingkatkaraharjaan Propinsi Jawa Baratsaukur nempatan nomer lima di an-tara genep propinsi sejenna di puloJawa? Padahal, nu matak urangngalaksanakeun proses demokrati-sasi teh pan pikeun ngahontal kara-harjaan, tapi kunaon atuh tacankahontal wae?

Tah, pers Sunda nu boga pancennyoarakeun aspirasi rahayatsakuduna mampuh ngagambarkeunsaujratna kumaha sabenerna kany-ataan nu ditataan bieu teh. Naha me-mang demokratisasi nu keurdijalankeun teh saukur proseduralwungkul? Hartina teu nedunanpasaratan samistina pikeun nga-

hasilkeun, di antarana, “tata kelola”pamarentahan nu mampuh ngara-harjakeun rahayat? Lian ti kitu,partey pulitik oge saukur nga-hasilkeun pulitisi karbitan nu burengteu weruh ngalaksanakeun pan-cenna? Nu akibatna calon pamingpinnu ditawarkeun ka rahayat oge saruahandap ajenna?

Tapi, nya lebah dieu ironisna!Pers Sunda nu sakuduna ngageuinglembaga wakil rahayat jeung pa-marentah oge sarua deuih keur nan-dangan masalah. Lembaga persSunda nepi ka kiwari tacan walagri,nepi ka boro-boro mampuh ngalak-sanakeun pancenna minangka jurukawal demokrasi, dalah keur nu-luykeun hirupna oge sakitu seuseutseuatna.

Ana kitu, geus sakuduna atuhsakumna insan pers Sunda ( pan-gusaha pers, kaom jurnalis jeung nusejenna) silih pakumaha enggoningmuguhkeun siasat nu metu, kumahacarana supaya lembaga pers Sundamampuh hirup bari jeung huripna.

BantuanJelas pers Sunda butuh bantuan.

Hal kitu tembong dina oplahna nusakitu handapna nepi ka akibatna teumampuh mere panghasilan nu mere-nah keur karyawan. Lebah dieu, teubisa tur teu adil pers Sunda diantepsina “bersaing” jeung pers sejenna nujarugala.

Pamarentah Propinsi Jawa Barat,ana kitu, dipenta tanggung jawabnaenggoning mantuan pers Sunda su-paya menyat hirupna. Lebah dieu,jelas perlu dijinekkeun sabaraha danabantuan tina APBD pikeunngabayuan hirupna pers Sunda. Mi-nangka ukuran, bisa dipatalikeun

jeung gedena gajih minimum pikeunkaryawan nu sakuduna dilarapkeundi saban pausahaan pers. Kitu deuigedena honorarium tulisan jeung nusejenna. Jelasna, perlu tandesdipuguhkeun ukuranana. Lian ti kitu,perlu oge dipuguhkeun sabarahalilana bantuan teh dilarapkeunana.Masing kumaha wae oge, ahirna mahpers Sunda kudu mampuh hirupmandiri, ulah gumantung saendeng-endeng kana bantuan ti pihak sejen.

Tangtu wae, bantuan perlusalawasna ditalingakeun tur dibaren-gan pasaratan deuih. Upamana wae,pausahaan pers Sunda nu narimabantuan dikudukeun ngalarapkeun“good corporate governance”. Nganpausahaan pers Sunda nu ngalarap-keun prinsip-prinsip “tata kelola”ngurus pausahaan nu hade nu bisanarima bantuan.

AtikanSaban pausahaan pers Sunda

tangtu wae perlu ngayakeun atikankeur sakumna jajaran manajemenjeung sakumna karyawan. Kagiatanbieu, memang bisa mangrupa ka-giatan internal pausahaan. Tapi, bisaoge mangrupa kagiatan eksternal,upamana SPS ngayakeun atikanmanajemen, PWI bareng jeungDewan Pers ngayakeun atikan jurnal-istik keur sakumna wartawan di JawaBarat,kaasup wartawan pers Sunda.

Lian ti kitu, pers Sunda oge perlusalawasna dijurung sumangetna,sangkan henteu mopo di tengahjalan. Kukituna, sarwaning panghar-gaan perlu diayakeun, di antaranaperlu dihirupkeun hadiah jurnalistikSunda pikeun tulisan wartawan nunedunan pasaratan.

Karno Kartadibrata

Mieling Hari Pers Nasional (HPN)

Pers Sunda, Kumaha?

Page 52: Mangle 2464

51Manglé 2464

Syarifah Mumtaza Alaidrus Syarifah Mumtaza Alaidrus

Nepangkeun, nami lengkepna Syarifah Mumtaza Alaidrus. Dibabarkeun di Bekasi ping27 Januari 2012. Sababaraha waktos ka pengker, putra Bapa Syayed Syahridhan

sareng Ibu Bylqis Juwitaningsih ieu téh, milangkala anu ka-2 taun. Tapi, sanaos nembé2 taun, tos resep kana Penca Silat. Ngala ka Éyangna, Ibu Cucu, koréspondén Manglé

anu nuju anomna sering janten juara penca. Aduuuhh.....wilujeng tepang taun atuhnya, Néng! Mugia sing janten murangkalih anu sholéhah, pinter, bageur, digampilkeun

rijkina, sareng sagala rupi anu matak pikareueuseun sadayana. Amin.***

Page 53: Mangle 2464

Manglé 246452

Geus sababaraha poe, anakhayam teh teu boga batur.Da, aya oge titit nu biasa

ngajak ulin ka manehna, teu datang-datang. Kituna teh sieuneun ku in-dung hayam nu galak ka titit tea.

Sababara poe ka tukang, eta tititteh nyampeur ulin ka anak hayam.Pedah di dinya mah, taya sato sejen,lian ti kulawarga hayam jeung ku-lawarga meri. Kitu oge ukur duakuren, hayam jeung anak-anaknaditambah ku kulawarga meri sajodonu anakna ngan hiji-hijina.

Waktu anak hayam ulin jeungtitit tea, ku indung hayam mah ula-heun. Cenah, teu meunang ulinjeung nu bodo. Kitu teh, pedah wetitit mah mun leumpang ge apankendor naker, beda jeung anakhayam nu rancingeus.

“Tong ulin jeung si bodo, bisikabawa bodo,” ceuk indung hayam.

“Wios atuh, Ma! Puguh gebageur manehna mah.”

“Ah, bageur kumaha, da moalbisa nulungan mun aya musuh oge.”

Ari indung meri mah, teu nyarekanakna ulin jeung hayam teh.Malah, nitah cenah, sangkan apalkana kabisa hayam tea. Ngan, arigeus kanyahoan indung hayam teunyatujuan mah, meri oge teu ninitahanakna ulin jeung hayam. Keurmanehna mah kumaha karepanakna we.

Sanggeus sababaraha poe tititteu ngajak ulin ka tempat nu biasa,anak hayam ngajak indungna ulinka eta tempat. Maksudna ge, susu-ganan aya anak meri keur keur ulindi eta tempat. Horeng enya, di tem-pat nu rada jauh, peuntaseun ba-long, anak meri teh keur ulinsorangan.

Anak hayam ge nempoeun ka so-

batna teh. Kitu deui sobatna nem-poeun ka manehna. Ngan, masing-masing ge ukur silih gupayan, da teuwani silisampeurkeun, pangpangnamah anak meri nu sieueun ku in-dung hayam.

Indung hayam mah jongjon wepucak-pacok neangan hakaneun.Keur kitu, kadenge sora nu ngoceak.Kareret ku indung hayam teh,anakna tikecemplung ka balong.Atuh puguh we, indung hayam tehreuwaseun, komo nempo anakna nuroroesan di balong rek tikerelepmah.

Indung hayam bari semu reuwas,ukur gagalaprakan sisi balong.Enya, nyaah tea mah ka anak, tapida teu bisa majar kumaha. Manehanteu bisa nanaon, teu luas ngojay.

Tayohna wae, anak meri geapaleun waktu sobatna dikecem-plung ka balong teh. Ku lantarankitu, berebet weh lumpat ka deukeutindung hayam nu keur gaga-laprakan tea.

“Ku naon manehna teh, Bu?”“Tigejebur.”“Naha atuh sanes ditulungan.”“Ih, teu bisa nulunganana.”Anak meri mah, teu apaleun

mun indung hayam teu bisa ngojay.Da, marukan manehna mah saruawe cara kulawarga manehna.

“Teu tiasa ngojay kitu?”“Nyeta henteu!”Geus cacarita kitu, anak meri teh

tuturubun ka balong. Gancangngoay rikat naker, nyered sobatnadibawa ka sisi. Geus kitu mah di-songgo, sina nerekel ka darat.

Indung hayam, kacida bungah-eunana. Ceuk pikirna, mun teu di-tulungan ku anak meri, meureunanakna teh maot tileuleum.

Ku kajadian kitu, indung hayamsadar, sosobatan anakna teh teusalah. Nya ti harita, hayam tehnganggap dulur ka kulawarga meri.***

(Kintunan Fanfan,Kelas VI, SD Negeri

Rancaloa - Kota Bandung)

DD oo nn gg ee nn gg

Nulungan Sobat

Page 54: Mangle 2464

53Manglé 2464

Nu matak betah di imah Pépép téh,wangunanana alus tina bilik, jabaaya kolongan.

Di kolong, aya hayam sababaraha hiji.Di bagéan hareup imahna, kosong taya

korsian. Éh, aya kétang, hiji. Tapiwaktu kuring mimiti unggah ka tempatanu ku

Pépép mah disebutna téh tepas, Bi Aasgancang ngamparkeun samak.

“Tong linggih dina korsi éta, Encép,bilih arateul!” pokna. Waktu ku kuring di-sidik-

sidik, aya nu jiga buuk tapi heurasnarolol tina pangdiukan korsi téh. CeukPépép

mah éta téh injuk. Lantaranpanasaran, waktu Bi Aas ngaléos, kuringngajaran diuk

dina injuk téa. Ah, geuning teu ateulteusing, tapi lila-lila mah teu burungkarasa

géték. Saterusna, harita kuring disug-uhan rujak cuka ku Pépép. Ngeunah, ha-

seum bari lada. Pikeun létah kuring mah can

pati biasa, tapi karasa ni’matna. Duh, seugOkaasan gé nyieun nu kieu di imah téh

nya, ceuk pikir kuring harita. Ulah Onigiri deui, konyaku deui, chikua deui,

spagéti deui. Bararosen, kana létahna ogélila-lila

mah jadi hambar. Kapan aya geuningdahareun modél nu di imah Bi Aas ogé.Inget,

balik ti imah Pépép ngadahar rujakcuka, peutingna beuteung kuring ngayerteu

eureun-eureun. Okaasan ribut mawakuring ka Dokter Kéli, dokter langgananurang

Jepang di kota, bari paciweuh nginget-nginget masak naon poé harita, kamarijeung

kamarina. Weléh, teu rumasaeunmasak nu ngabalukarkeun beuteung kur-ing

baruntak.

“Nani wo tabétano? Nobuo?” ceukOkaasan. “Ngadahar naon atuh, Nobuo?”

Kuring ukur gideug. Keun, da najankokotor kuring nepi ka dicék di laborato-rium gé

moal kalacak sugan tapak si rujakcuka téh. Okaasan wé rariweuh soranganéta mah.

Sanggeus ngalaman kitu téh, kuringteu kapok. Deker deui wé lamun ku Bi Aas

disuguhan rujak cuka téh. Berekah,lila-lila mah teu nanaon. Geuning ari dib-iasakeun

mah teu olo-olo si beuteung téh.Wawuh jeung Pépép téh waktu kuring

keur di TK kénéh. Harita téh Okaasankeur

angkat jeung Otoosan, bapa kuring,nu keur kabeneran sumping ti Jepang.Bapa

kuring téh urang Jepang. Jenengankulawargana Tamazawa, mana kuring ogé

dingaranan téh Tamazawa Nobuo.Ngaran kuringna mah anu tukang,Nobuo. Tapi

ku kulawarga Okaasan anu asli urangSumedang, sok padanyebut téh Obu,

ngarah gampangna. Otoosan téh didamel di

kapal purah ngalaan lauk laut, pausahaan bogana urang Koréa. Laut anu biasa

dialaan laukna téh sabagéan aya ogé anugeus

meunang ijin di perairan Indonésia,Malaysia jeung Singapur. Sakali-kali pisanka

Jepangna mah cenah. Kuring gé nepika ayeuna can pati apal, kumaha jeung di

mana kantor tempat Otoosan didameltéh. Saur Okaasan, tepungna jeungOtoosan

téh dina pesawat terbang, waktuOkaasan nyelang mulang heula ka In-donésia.

Harita Okaasan keur disakolakeundeui ku tempatna didamel ka Jepang, ariOtoosan

harita rék liburan ka Bali.***

(Hanca)

CCarpon Alit

Si Obu (3)Ku Teh Narti

Page 55: Mangle 2464

Manglé 246454

PPangajaranBasaSunda

Latihan Ulangan

1. Lamun urang dititah “maca dinajero haté”, hartina.........

a. ulah dibacab. dibaca, tapi teu maké sorac. dibaca, bari sorana tarikd. macana gegerenyeman

2. Lamun urang datang kudu ngu-capkeun ……….

a. sampurasunb. rampésc. manggad. pamit

3. Lemesna irung nyaéta…………a. damisb. taarc. pangambungd. angkéng

4. Cepil mangrupa lemesna tina………..

a. leungeunb. sukuc. ceulid. irung

5. Lamun keyeng, tangtu……….a. barengb. parengc. sarengd. nyureng

6. “Internét” mangrupa kecap anukaasup kana istilah………..

a. kaséhatanb. kasenianc. téknologid. sajarah

7. “Demam berdarah” mangrupakecap anu kaasup kana istilah………

a. téknologib. kaséhatan-c. sajarahd. tatanén

8. “Kuda rénggong” mangrupa kecapanu kaasup kana istilah……….

a. olah ragab. kasenianc. kaséhatand. sajarah

9. Budak leutik bisa ngapung,babakuna ngapungna……..

a. lilab. luhurc. tarikd. peuting

10. Nguriling kakalayangan, néan-gan………

a. nu amis-amisb. nu ditéanganc. indung bapana

d. babaturanana

11. Kecap “seuseuh” bisa robah so-rana jadi…………..

a. ngeuseuhb. meuseuhc. nyeuseuhd. ngaseuseuh

12. Kecap “balik” bisa robah soranajadi……………

a. nyalikb. palikc. ngabalikd. malik

13. Kecap “tutup” bisa robah soranajadi……………

a. nutupb. mutupc. ngatutupd. nyutup

14. Kembang céngék disebutna………….

a. aléwohb. méncéngésc. céngék alitd. suligar

15. Kembang waluh disebutna………a. jamotrotb. olohokc. gélényéd. aléwoh

Diajar Basa Sunda Kelas VIKu Nila Karyani, S.Pd

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilapditémpélan kupon UTY No. 1250. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.Jawaban UTY No. 1247

Nu leres : PIZZA

Nu kénging hadiahna:1. Aldi S, SDN Muara Ciwidey Kls. 3 - Cilampeni Kab. Bandung2. Melan T Jl. Kh. Ahmad Dahlan No. 22 Ciamis3. Rusmiati M. Jl. Saluyu 10 No. 35

Urang Teguh Yu!Talenan paranti nulisSupaya nulisna rapih.

Naon cing?

(Nikén - Bandung)

Page 56: Mangle 2464

55Manglé 2464

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Ngaran alat musik4. Buah ngora7. Naraka.... (keur nyiksa jalma doraka)8. Sérab10. Maot13. Alat pancaindra16. Cara atawa aturan nu jadi ciri hiji daerahdina kabudayaan17. Sarupa bandéra panjang anu diterap-keun sapanjang gagangna (baca dua kali)18. Wedak19. Alat keur kaulinan, keur maén21. Panutup beungeut23. Hina26. Sato dina kapercayaan urang Cina29. Panutup do’a31. Tempat lahir32. Raket, layeut38. Parabot dapur

KA HANDAP:1. Paur2. Rampog di laut3. Sato laut anu sok dijieun geulang4. Ngala hasilna5. Tanda baca6. Saendeng-endeng8. Susukan leutik9. Logaritma11. Pagawéan (Inggris)12. Carita13. Anak lauk

14. Paguron luhur di Bandung15. Tentara séwaan nu kungsi

dibawa ku Sekutu 20. Kecap panganteb kana eureun22. Bendungan24. Sabangsa jin awéwéna25. Inohong27. Saratus taun28. Mimiti29. Teu kaharti ku akal30. Geuleuh

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1430. Kin-tunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19Bandung 40262 paling leuir dua minggusaparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1428:

1. M. Aksan Dirgantarad/a Ir. AsepJl. Pasirhonjé No. 207 RT 06/RW 01AKel. Padasuka CimenyanBandung

2. Patra WaryanaJl. Désa RT 06/12 87ABandung

3. WulansariJalan Cinambo RT 02/04 72Bandung

1430K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1428

Page 57: Mangle 2464

Manglé 246456

LLempa Lempi Lempong

“Seuhah latalata....”“Kawas dina dongéng

Sakadang monyét jeung Sakadangkuya geuning, Mang?”

“Enya, kawas dina dongéngpuguh.”

“Ongkoh lada tapi ngeunahnya, Mang?”

“Kitu pisan, Lo.”“Na nuang cabé di mana atuh

Mamang téh?”“Ih, lain perkara cabé, Lo.”“Ari kitu?”“Ieu mah perkara céngék nu

kawas dongéng téh.”“Kawas dongéng kumaha?”“Ongkoh lada tapi ngeunah,

pada mikaresep ku balaréa.”“Bener, Mang. Céngék téh ge-

uning teu bisa leupas tina kahiru-pan urang saréréa. Komo keur

keur urang Sunda mah, nu beukipisan kana sambel.”

“Mana komo kiwari mah réarumah makan anu nyadiakeunsambel dadakan minangka ménukojona.”

“Mémang kiwari mah kadaha-ran nu lada keur naik daun, Mang.Malah nepi ka aya sababarahalével geuning kadaharan anu ladatéh.”

“Hal sarupa kitu ngalan-tarankeun Sakadang céngék jadiunggah adat.”

“Unggah adat kumaha, Mang?”“Tina barang anu teu sapira tur

hargana murah, tuluy remen jadibarang nu langka tur harganangajaul.”

“Enya, Mang.”“Mana komo dina usum ngijih

ayeuna, cenah kiriman ti parapatani ka padagang nguranganalatan réa anu gagal panén, sartajalur pikeun ngirimna kagangguku caah.”

“Bener kawas dongéngna téh,Mang.”

“Bener kumaha, Lo?”“Tina seuhah lada tuluy

naratay ka mamana. Kana gagalpanén jeung kana caah.”

“Boa-boa kahareup mahSakadang céngék téh bakal kawasgas élpiji.”

“Mindeng langka nyah,Mang?”

“Mindeng langka sarta di-pakuat-pakaitkeun jeung pulitik,boh pulitik praktis boh pulitikékonomi. Komo lamun céngékgeus jadi kabutuhan poko mah,cara béas, nu remen jadi bahanperang pulitik, boh pulitikékonomi boh pulitik lianna.”

“Moal meureun nepi ka kitumah, Mang.”

“Enya. Matak tong beuki-beukiteuing kana céngék téh. Mataknyeri beuteung ongkoh mun réateuing mah.”

“Matak nyeri beuteung géangger nikmat, Mang.”

“Heueuh, matak beuki balagatah Sakadang céngék téh.”

“Seuhah latalata téa, Mang.”“Heuheuy.”***

Seuhah Latalata