Mangle 2450

57

Transcript of Mangle 2450

Para Mitra Manglé,Geus ilahar, upama robahna taun, sok pada ngareuah-

reuah. Malahan di sababaraha tempat mah, nepikeunkabungah na téh nepi ka wani ngaluarkeun waragad miliya -ran. Kituna téh, cenah, lantaran ku ayana robahna taun, geu-san aya parobahan. Kétang! aya ogé (boa-boa lolobana) nusaukur milu raraméan wungkul. Robahna taun, saperti nawaé dina taun Masehi, apan kacida dipupujuhkeunana. Timimiti gegedén nepi ka masarakat cacah, saruka bu ngah. Soksanajan, duka naon tujuanana jeung udaganana.

Para Mitra Manglé,Kumaha upama ganti taun Hijriyah? Kareueus umat

Islam, nu harita milu mupujuhkeun ganti taun anyar Masehi,dina ganti taun hijriyah mah loba nu talibra. Bi heung téh teu-ing hayang inget kana pentingna ganti taun Islam. Lantaran,cenah, inyana teu ngarasa penting jeung teu aya alaeunanatina ganti taun Hijriyah mah.

Gambaran kitu, mémang lain saukur béja, tapi luyu jeungkanyataanana. Naha umat Islam kudu nurutan ngareuh-reuah cara ganti taun Maséhi? Asana teu kudu, malahankudu béda. Islam henteu nyunnahkeun, ganti taun kudu aya

lomba kembang api, nariup tarompét atawa kagiatan nuramé. Tapi ganti taun Islam, manusa kudu ‘harudang’! Hu-dang, lantaran hayang ngariksa diri (muhassabatun nafsi).Tandes sakumaha dina Alqur’an surat At Taubah: 20 – 21;"Jalma-jalma anu ariman, hijrah jeung jihad dina jalan Allohku harta banda jeung dirina, leuwih luhur darajatna mung-guhing Alloh, jeung maranéhna téh jalma-jalma nu pinunjul.Alloh nepikeun béja gumbira ka maranéhna kalayan rohmat,karidoan Alloh, jeung sawarga anu di jerona maranéhnameu nang kanimatan anu langgeng."

Para Mitra Manglé,Umat Islam, kiwari geus paroho kana pentingna kalénder

hijriyah. Teu rumasa, ibadah urang loba nu disarandé keunjeung kalénder hijriyah, saperti puasa, lebaran, haji, kaasupwaktu solat. Lantaran kitu, upama umat Islam teu aya pisankareueus ku kajadian ganti taun anyar Islam, asana teung-teuingeun pisan. Nepikeun kareueus, lain hartina kuduraraméan ka jalan atawa ngarumpul di lapang, tapi reueuslantaran mampuh ‘hudang’ keur ngarobah, ngariksa diri,geusan nguatan kayakinan ka Alloh jeung nanjeurkeun ka-soléhan ka papada manusa. Mudah-mudahan. ***

Ngukur Kareueus Umat Islam

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

BANDUNG-BANDUNG

Kota Bandung

Bakal Medalkeun Perda Rétribusi

Pagawé Asing

........................................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Dedemit Saguling

Andang S. Argayuda ....................... 24

BAHASAN

Ngalanglang Alam Rusdi

Jeung Misnem (3)

Budi Rahayu Tamsyah

........................................................ 42

IMPLIK-IMPLIK

Langlayangan Goblay

Ngalanglang Pakalangan

......................................................... 46

CARITA PONDOK

Asa Teu Pira

Mimif Miftahul Huda ....................... 18

Qurban Perasaan

Rizky Prasasti Anwari ........................ 20

Dongéng Maung Jeung Sumur Karamat

Yus R. Ismail ........................................ 22

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Alit ...................................... 31

Katumbiri .......................................... 36

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (163)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (1)

M.A. Salmun

............................................................. 12

Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (3)

HD. Bastaman

............................................................. 48

­Sekar­MangléRahmi

6LAPORAN

Kamus Utama Basa Sunda

Po

tre

t : R

eis

yan

Asa teu pira. Harita téh kuring ngansaukur méré baju ka si Siti. Na mani te-

ungteuingeun, jadi kieu kaayaanana.Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu

puguh dédéngéan. Ieu deuih panonujug-ujug teu puguh titingalian. Asa ku

anéh...

20

Asa Teu Pira

Panata Rias & Raksukan:Sanggar Ayu Busana (Galery

Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9

Ujungberung – Bandung Telp. 022 – 70432343

HP: 08122395408

Hijrah

Waktu pamaréntah Singapurakeukeuh ngahukum gan-tung dua prajurit KKo anu

katéwak dina mangsa konfrontasiDwikora, Bung Hatta kacida han-jeluna. Pikeun anjeunna mah tinda -kan Lee Kuan Yew kitu téhdianggapna geus ngahina jeungneung teuinganan pisan. Papadaningdina urusan kanagaraan jeung diplo-masi anjeunna geus teu kagunganpangaruh nanaon, tapi ka dirina kuanjeun Bung Hatta kedal jangji, timimiti harita saumur hirup moal nin-cak deui Singapura!

Kungsi cenah sababaraha kali ayarupa-rupa uleman ti pihak Singapura,boh ti pamaréntahna boh timasarakatna anu ditujulkeun ka BungHatta, kaasup jadi keynote speech dikampus-kampus. Tapi Bung Hattahenteu unggut kalinduan. Anjeunnaangger pageuh kana niatna. Dugi kapupusna henteu kungsi nincak deuiSingapura.

Asvi Warman Adam anu ngaguardeui éta kajadian téh. Ceuk Asvi cacaklamun sakumna urang Indonésiangarasa diteungteuinganan tur sapa-madegan jeung Bung Hatta, teu mus-tahil Singapura bakal bangkrut. Tapipan henteu nepi ka kajadian kitu.Malah apan boro-boro ngarasa nyerihaté atawa ngarasa dihina, malah agulbaé anu aya lamun pulang anting kaSingapura téh. Komo para koruptormah apan téga ngagasab duitbangsana sorangan terus dipakéngabeungharan nagarana Lee KuanYew.

Bung Hatta téh kaasup inohonganu istikomah, konsistén kana niatjeung jangjina. Komo anjeunna mah

apan ngalaman pisan kumaha susahpayahna hayang boga nagara anumerdéka téh. Piraku ari geus merdékakalah dihinakeun ku bangsana sora -ngan. Babakuna ku para pamingpinnadeuih.

Naha ku lantaran Pa Harto jeungSBY mah henteu ngalaman paitpeuheurna merjoangkeun sangkanbangsa Indonésia jadi bangsa anumerdéka nepi ka ku urang saréréakudu dimaklum lamun dina eng-goning mingpin nagara henteu isti -komah saperti Bung Hatta? Tangtuteu kitu. Lantaran sing saha baé anukaparengkeun jadi pamingpin di na-gara urang sok capétang ari dinamangsana agustusan mah. Malah tékspeoklamasi anu ditéken ku BungKarno jeung Bung Hatta gé unggaltaun dibaca dina upacara kanagaraan.

Ngan semet dinya. Pamingpin dinagara urang mah kakara ngarasatuge nah lamun dikiritik ku bangsanasora ngan. Éta mah sok langsung nye-uneu. Tapi ari lebah bangsana dite-ungteuinganan ku nu séjén mahkalem-kalem baé. Malah kalah hayangmilu neungteuinganan.

Leuwih palinter pamingpin Indo -nésia anu ayeuna téh. Kitu deui wakil-wakil rayatna. Hanjakalna, ngansemet dinya. Bung Karno jeung BungHatta, kitu deui anu sajaman jeungaranjeunna, apan kurang kumahapalin ter. Tapi kapinteranana téh hen-teu dimangpaatkeun pikeun kapenti -ngan dirina sorangan. Da lamunudagan hirupna ngan semet dinya,naon gunana Bung Karno, Bung Hattakatut nu séjénna maké jeungngalawan ka Walanda. Turut wé ka-hayangna, tangtu pangkatna bakal

luhur, hirupna bakal senang, sagalaeuweuh kakurang.

Anu henteu diconto ku bangsaIndo nésia nu ayeuna téh lebahdinyana. Sigana geus euweuh bohpamingpinna boh wakil rayatna nuayeuna hirupna leuwih mentingkeuncita-citana. Malah cita-citana ogé teuboga. Kabuktianana dina lebah ngaturanggaran nagara. Tara aya anggarananu sagemblengna keur kapentinganrayatna. Tina anggaran anu ayaréngkolna téh kudu wé sakitu per-sénna balik deui ka maranéhanana.Kum teu diwiji-wiji kituna téh. Urangmana baé asalna, naon baé agamana,geus kabuktian dina rupa-rupa panga -dilan, kabéhanana ogé henteu ngarasahina lamun korupsi. Malah anu ka -cerek ku KPK ogé apan disebutna téhapes. Lain ceuk si itu ceuk si éta kitunatéh. Dalah pamingpin nagara gé loyo-gna téh ka dinya.

Dina kaayaan bangsa urang keurkitu ninggangna taun baru Hijrah1435 téh. Tapi ngan semet libur nasio -nal. Aya éta gé anu ngahagalkeunpawéy obor, duka ka mana maksudna.Padahal lamun dibandungan deui titi-mangsana, apan cenah kajadianhijrah na Rasulullah SAW ti Mekah kaMadinah téh lain ngan sakadarngungsi.

Ustad tangtu leuwih apal ngaguarperkara éta mah. Ngan anu rada di-arep-arep téh asa taya salahna lamunsumanget atawa rohna hijrah diloyog -keun kana mahabuna korupsi diurang ayeuna. Basajan wé, lamunkedal ucap nurutan Bung Hatta: Nungarasa muslim ti mimiti tanggal 1Muharram 1345 Hijrah moal arékkorup si deui. AM

Manglé 2450 3

4 Manglé 2450

Mekarkeun Koperasi

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Ti payun, pamugi Mangletetep panjangkeun lalakondina raraga ngamumule basajeung sastra Sunda. Hapun-ten sateuacana, simkuringngiring nyerat, nu diantawis-nya nyerat perkawis kameka -ran koperasi di urang.

Kamekaran ekonomi, ceksimkuring mah sarua jeungmapandekeun kana tutuwu -han. Saperti tutuwuhan nuhade, nu bisa mekarsakumaha mistina. Lirtatangkalan tea, boh jati bohmahoni, bisa tuwuh jang -kung ngalanglaung, lantaranboga potensi pijangkukeungjeung pigedeeun.

Kumaha atuh kuduna?mekarna tutuwuhan bisagede tur jangkung teh lan-taran lingkunganana hade.Atuh, mun eta tatangkalan‘jadi ku maneh’, nepi ka hadekitu teh, lantaran lahannasubur.

Pepelakan sejen nu nga-haja dipelak di kebon atawadi palataran, bisa jadi kalayanhade, upama dipelakeun ditempat anu merenah.Saterusna, mun tempatnageus merenah, nu sejennasaperti ngagemukna, caramiarana, jeung sajabanabakal jadi pangdeudeul kanakamekaran eta tangkal.

Tah, mMapadekeun kanapepelakan kawas kitu, urangkudu boga kayakinan,pausaha an ge bisa mekarkalayan hade upama ditempat - keun di tempat anu merenah.Hartina, pilihan tempat keurmekarkeun ‘jenis’ usaha, jadibagian anu penting.

Kitu deui dina mekar -keun koperasi, kacida pent-ingna kudu aya di tempat anumerenah. Di mana? nya di nudipikabutuh ku masarakatsabudeureunana. Hartina,ulah ngadegkeun koperasi,ukur lantaran hayang narima

banyuan ti pamarentah.Mun ukur semet dinya,

tangtu we nyieun jeungngokolakeun koperasi geukur puraga tamba kadeng -da. Lantaran, sanggeusnarima bantuan atawamodal, bisa wae kagiatankoperasina mah bubar!

Ku kituna, sakali deui,mekarkeun koperasi kududibebenah sarua jeung miarakana tutuwuhan. Mudah-mudahan pamarentah bisapercaya jeung mampuhngabebenah koperasi diurang.

Kitu deui, kumaha caranasangkan kamekaran koperasidi saban wilayah bisa mekarkalayan hade, oge dumasarkana kapunjulan masing-masing? Jelas, cek simkuringmah, kudu aya nu mantuanmilu ngurus ngaturna.Ngokolakeun alam teh butuhkaahlian. Sapertina wae, keurpatani ge tetep butuhpanuyun dina mekarkeunhasil usahana, misalna wae,kacida butuhna panyuluh numemang ahli dina widangna.Kitu deui panyuluh-panyuluhsejen nu bisa ngarojatkeunhasil kacida dibutuhkeunanaku masarakat.

Ku kituna, cek simkuring,pangusaha leutik pang-pangna koperasi, butuh per-hatian ti masing-masingpamarentah kabupaten/ -kotana. Lian ti eta, butuh per-hatian jeung ilubiungnapihak-pihak nu sejen nu bogakamampuhan dinamekarkeun koperasi di ma -sing-masing daerah. Mudah-mudahan.***

Pa Tata SulaemanBaleendah Bandung

Poe Pahlawan,Nguatan Harti Pangor-banan

Sampurasun! DamangAis Pangampih Mangle?Ayeu na teh urang keur mi -

eling poe pahlawan. Di-adegkeunana ieu nagara,moal leupas tina jasa-jasapara pahlawan urang. Sabandaerah aya nu berjoang, ayanu wani ngaluarkeun pangor-banan. Ieu hartina, ceksimkuring mah, para pah -lawan teh henteu gampanghayang bisa nagara urangmerdeka teh. Nu pang -penting na, nyaeta lantarandina dirina daek korban deminagara. Teu paduli kananyawa sorangan, nu pentingjaman pikahareupeun kuduhade.

Tah, haekakt perjuanganmah kitu, nyaeta pangorba -nan. Sabalikna, nu teu ayarasa pangorbanan, hartinajauh tina disebut pahlawan.

Kumaha jaman kiwari,naha aya keneh nu ngarasaberkorban atawa nga-jalankeun pangorbanan? Ji-gana geus langka. Lantarandaraek gawe teh lantaranhayang gajih gede. Guru nga-jar, lantaran digaji jeung rekboga kadudukan. Kitu deuihakim atawa pangacara, daekgawe teh lantaran dibayarjeung sabangsana.

Kumaha upama jalma-jalma teu boga pangorbanan?Memang kecap pangorbananboga lalakon panjang. Kitunatéh lumangsung ti waktu kawaktu dina sajarah ka-manusaan. Aya korban, nungorbankeun, jeung nunarima mangpaat korban. Nutilu bagian kitu gumulungdina peradaban manusa.

Pangorbanan harta,tangtu teu ngan ukur keurngagugurkeun kawajiban. Disatukangeun pangorbanan,kudu natrat mangpaatnakeur balaréa, boh dina dang -ka pondok boh dina dangkapanjang. Leuwih ti kitu,pangor banan harta, kudujadi simbol kasadaran‘ngaleupas keun’ hak pribadigeusan kapentingan pihakséjén.

Kiwari, kasadaran daék

ngorbankeun hak-hak pri -badi kacida pereluna. Da,kitu dina kahirupan manusasalaku mahluk sosial mah.Éta téh tandaning tuwuhnakasadaran yén manusa silih-pikabutuh. Bukti dinanyumponan pangabutuh gétaya saurang ogé nu leupastina jasa jalma séjén.Kadaha ran, pakéan jeung sa-jabana enas-enasna mah me-unang batur.

Kasadaran daék korban,samistina nyerep kana atisanubari. Nu daék korban,hartina namperkeun kanya -ah ka nu lian. Lian ti kitu,hartina ogé, dirina téh keurngawangun jati diri atawangawangun ajén dirina.

Dina saban kahirupan,komo deui jaman kiwari,sumanget daék korbankacida dipikabutuhna. Da,upama masing-masing pihakdaék korban keur pihakséjén, piraku boga karepngarampas hak pihak séjén.Lantaran keur nu daék kor-ban, tong boro ngagasab haknu lian, dalah nu geus jadimilikna gé teu teu lebar diko-rbankeun keur pihak séjén.Kitu deui sumanget berjuang,sarua jeung sumanget mi-gawe pangorbanana. Ku ki-tuna, dina mieling poepahlawan, simkuring uma-jak, sangkan nu boga kalung-guhan, sangkan diperedihdeui rasa pangorbanan keurngabdi ka nagara. Hartinasagalana ulah dumasar lan-taran gede bayareunana.

Sakitu, mudah-mudahanurang masing-masing tiasangalap mangpaat tina tujuanperjoangan keur ngabukti -keun urang tiasa berkorbandemi bangsa, agama katutnagara.

Sakitu nu kapihatur.Hapun ten bilih seueur lepatbasana.

Wassalam.

Pa Ahmad KholikTi Cianjur

Dina acara sawala Misi SeniSunda ka Mancanagara,sababaraha minggu ka tukang,

di aula koran mingguan Galura,Wagub Provinsi Jawa Barat, DeddyMizwar, netelakeun Provinsi JawaBarat bakal ngadegkeun DewanKabudaya an. Hanjakal pisan, haritaWagub tacan ngeceskeun iraha-iraha -na lembaga bieu ngadegna tur naonwae pancenna teh.

Memang, Propinsi Jawa Barat tisaprak dipingpin ku Gubernur AhmadHeryawan, tacan ngapimilik DewanKabudayaan nu pancenna nepikeunnasehat ngeunaan kabijakankabudaya an ka Gupernur nu satuluynabakal ngalarapkeun kabijakan bieudina prakprakan pamarentahanana.Padahal, dina mangsa pamarentahansamemehna mah lembaga kitu tehkungsi ngadeg, upamana wae, DewanPertimbangan Kebudayaan Jawa Baratmangsa Gubernur Mashudi, DewanKebudayaan Jawa

Barat mangsa Gubernur SolichinGP, Dewan Kesenian Jawa Baratmangsa Gupernur Nuriana jeungKalang Budaya mangsa GupernurDanny Setiawan.

Henteu MetuDibandingkeun jeung Dewan Ke-

senian DKI Jakarta mangsa GupernurAli Sadikin, memang sakabeh lembagakebudayaan di Jawa Barat nu ditataanbieu teh kurang metu (epektip). Aliashenteu jelas nepi ka mana dampaknakana kamajuan kabudayaan. Rupa-rupa hal bisa wae ngalantarankeun halsaperti kitu karandapan. Upamanawae, nu remen dipake alesan, eta tehpangpangna cenah patali jeunganggaran. Jelas anggaran pamarenta-han Propinsi Jawa Barat jauh mela-melu gedena dibandingkeun jeunganggaran pamarentahan DKI Jakarta.

Kukituna, bisa dibayangkeun sabarahagedena anggaran pikeun kabudayaan.Lian ti kitu, aya bedana konsep indit-inditan antara lembaga kebudayaan diJawa Barat jeung Dewan KesenianDKI Jakarta. Ari lembaga kebudayaandi Jawa Barat mah( ti mimiti DewanPertimbangan Kebudayaan nepi kaKalang Budaya) wewenangna saukurnepikeun nasehat ka gupernur, nukukituna bisa wae mimindengna hen-teu dipirosea, tah, ari Dewan KesenianDKI Jakarta mah boga wewenangngalarapkeun kagiatan kasenian du-masar kana program nu geus diran-cang ti awalna. Satuluyna, bisa ogekulantaran kapamingpinan GupernurDKI Jakarta Ali Sadikin leuwih epektipdibandingkeun jeung kapamingpinanGupernur Jawa Barat, kaasup lebahngamajukeun widang kabudayaan. Halkitu ngalantarankeun Dewan KesenianDKI Jakarta leuwih epektip dibanding -keun jeung lembaga kebudayaan diJawa Barat, kaasup Dewan Kesenian dipropinsi sejenna.

Perlu Jadi PalajaranHengkerna sakur lembaga

kebudaya an mitra PamarentahProvinsi Jawa Barat ( ti mimiti DewanPertimbangan Kebudayaan, DewanKebudayaan nepi ka Kalang Budaya)tangtu wae perlu jadi palajaran pikeunurang sakumna, boh kalangan budaya -wan boh pamarentah nu boga maksudngahirupkeun deui lembaga sapertikitu. Jelasna, kahengkeran atawa ka-gagalan nu geus karandapan ku lem-baga kabudayaan samemehna ulahnepi ka karandapan deui.

Hal-hal nu kaitung penting nuperlu dijadikeun tinimbangan upama -na wae,

Kahiji, Dewan Kesenian DKIJakarta ti awalna keneh geus diposisi -keun minangka lembaga nu maneuh,

kontinyu hirupna henteu gumantungkana mangsa pamarentahan gupernur.Sanajan gupernur maren, lembagabieu terus hirup. Ti mimiti gupernurAli Sadikin nepi ka gupernur Djoko Wiayeuna, Dewan Kesenian DKI Jakartatetep bisa hirup. Kukituna, program-programna oge bisa lumangsung tuluytumuluy. Beda hal kitu teh jeung lem-baga kebudayaan di Jawa Barat nuhirupna kawatesanan ku mangsapamarenta han saban gupernur.

Kadua, lembaga kebudayaan diJawa Barat ( ti mimiti Dewan Pertim-bangan Kebudayaan nepi ka KalangBudaya) wewenangna saukurnepikeun nasehat kabudayaan kaguper nur, beda jeung Dewan KesenianDKI Jakarta nu boga wewenangngalaksanakeun sakur program nugeus dirancang ti awalna. Tetela, lem-baga kabudayaan di Jawa Barat teumanggapulia saupama nasehat-nasehat na henteu dilaksanakeun kupamarentah provinsi. Contona, nase-hat kabudayaan dina “buku biru” nudirancang ku Dewan PertimbanganKebudayaan Jawa Barat tetela henteudipirosea ku pamarentah propinsimangsa harita.

Katilu, lembaga kabudayaan mitrapamarentah, sangkan bisa hirup barijeung huripna tangtu wae, lian timerlu keun lembaga pamarentah nuboga karep kuat ngamajukeunkabudaya an, ahirna merlukeun ogekalangan budayawan nu masagi, bogavisi nu jelas sarta komitmen nu kuatenggoning ngamajukeun kahirupankabudayaan.

Tah, ari Dewan Kebudayaan nu rekdihirupkeun deui di Jawa Barat ayeunakumaha? Naha geus boga “kelaikanterbang”, nyumponan pasaratansamistina minangka dewan kabudaya -an nu epektip?

***

Dewan Kabudayaan Jawa Barat Dihirupkeun Deui?

Ku: Karno Kartadibrata

Manglé 2450 5

6 Manglé 2450

Manglé 2450 7

Manglé 2450

Dina jaman perdaganganbébas jeung globalisasi,ayana pagawé asing ti luar

negri éstu geus jadi kabutuhansakaligus tangtangan di sabandaérah, kaasup di Kota bandung.Éta hal ngalantarankeun PemkotBandung ngarasa perlu pikeunningkatkeun pangawasan sartanalingakeun pagawé asing, ku carangaluarkeun Perda anyar ngeuna -an rétribusi ngokolakeun patali-marga, jeung rétribusi per panjanganijin magawékeun paga wé asing.

“Éta hal dilaksanakeun sangkan

aya kacindekan dina prak-prakanana ngadalikeun sartanalingakeun pagawé asing anu ayadi pausahaan-pausahaan di KotaBandung,” kitu ditétélakeun kuKetua Fraksi Gerinda DamaiDPRD Kota Bandung,H.C.Hendar wan SH.MM.MSi, kaManglé sawatara waktu nu kaliwat.

Hendarwan ogé nétélakeun,pikeun ngaronjatkeun pangwangu-nan di Kota Bandung, PAD (Penda-patan Asli Daérah) mangrupasumber dana anu kacida penting -na, pangpangna anu dihasilkeun

tina pajak jeung rétribusi daérah.Ngeunaan hal éta, Raperda anukeur dipadungdeumkeun ku légis-latip jeung éksékuitip, luyu jeungPP (Peraturan Pemerintah) no 97taun 2012 ngeunaan rétribusingokolakeun patalimarga jeungrétribusi perpanjangan ijin maga-wékwun pagawé asing téh, ayatambahan dina nangtukeun hargarétribusi nu mangrupa wewenangpamaréntah Kota Bandung.

Dumasar kana tinimbanganayana éta tambahan, pamaréntahKota Bandung madungdengkeunRaperda (Rancangan PeraturanDaerah ) sangkan jadi Perda (Per-aturan Daerah). Papayunghukumna nyoko kana PP No 69taun 2010 ngeunaan “tatacarapemberian dan pemamfaatandaerah”. Medalna Perda téh ogéluyu jeung peraturan KementrianTenaga kerja dan Tranmigrasi NO.Per.02/MEN/III/2008 ngeunaan“tata cara penggunaan tenagaasing” , jeung Perda Kota BandungNo.18 taun 2000 ngeunaan“penyelenggaraan ketenagakerjaandi Kota Bandung”, sarta Perda No8 taun 2007 ngeunaan “urusanpemerinta han Kota Bandung’.

Fraksi Gerinda Damai DPRDKota Bandung, dina medar Lem-baran Kota No.7 taun 2013ngeuna an rétribusi perpanjanganijin magawékeun pagawé asing,ngajukeun pananya ka éksékutipngeunaan jumlah pagawé asing,sarta sabaraha pausahaan anumagawé keun pagawé asing di KotaBandung. Ogé hasil tina rétribusipagawe asing tur sabaraha udagananu kudu dihontal. Éta hal, ceukHendarwan anu kacatet minangkaanggota Komisi C DPRD Kota Ban-

8

Ketua Fraksi Gerinda Damai DPRD Kota Bandung, H.C.Hendarwan SH.MM.MSi (dok.)

Kota­BandungBakal­Medalkeun­Perda­Rétribusi­Pagawé­Asing

Manglé 2450 9

dung, ditanyakeun sangkan lamunaya pasualan bisa sagancangnabisa diungkulan, tur léngkah naonbaé nu kudu dilaksanakeun kudinas anu aya pakaitna jeung étapasualan.

Nu kacatet dina Perda nu bakaldatang, Walikota Bandung nga -liwatan dinas anu aya pakaitnajeung éta hal, bakal ngaluarkeunijin perpanjangan sarta nangtu -keun tarip rétribusina. Nyaétarétribusi perpanjangan ijinmagawé keun pagawé asing pikeunpagawé asing anu geus boga IMTA,nyaéta ijin ti Kementrian TenagaKerja dan Tranmigrasi. Walikotaogé geus nangtukeun patugaspikeun ngalaksanakeun panga -wasan nu disebut PPNS (PenydikPegawai Negri Sipil). PPNS bogakawenangan ngayakeunpamariksa an jeung panalungtikansarta ngumpulkeun data-datangeuna an ketak pagawé asing,mariksa buku catetan sartadokumén lianna anu aya pakaitnajeung manéhna.Ogé ménta ban-tuan tenaga ahli pikeun kalancaranpanalungtikan, sarta manggilpaga wé lianna sangkan méré lapo-ran lamun aya pagawé asing anungarempak aturan.

PPNS di pamaréntahan KotaBandung ogé ngalaksanakeunpenyidikan tindak pidana dinawidang rétribusi, luyu jeung un-dang-undang hukum acara pidana.Hasil tina penyidikan bakalditeruskeun ka pihak kepolisian.Pamaréntah Kota Bandungmetakeun tindakan anu tegas,sangkan saban pagawé asingngalaksanakeun aturan-aturan nuaya, tur ngajalankeun kawajiban -ana sangkan teu ngarugikeun pa-maréntah Kota Bandung.

Ku aya Perda nu bakaldipedalkeun ku pamaréntah KotaBandung, dipiharep pausahaan-pausahaan anu maké pagawé asingleuwih tartib tur taat kana aturan.Salian ti éta ku ayana papayunghukum nu jinek, bakal numuwuh -keun katengtreman ka pagawéasing anu brasna bisa ngarojongkana pangwangunan di Kota Ban-dung, utamana dina widangékonomi.***Cucu/Dédé

Perda ngeunaan pagawé asing kudu puguh papayung hukumna (dok.)

Dina jaman globalisasi, pagawé asing geus jadi kabutuhan & tangtangan (nét)

Pamaréntah kudu nalingakeun jumlah jeung ketak pagawé asing (dok.)

10 Manglé 2450

Bagian

181

Sajongjongan, Ko-marujaman titirontéh ngahuleng.

Untung na, raja ngama-phum kana kabingung étaputra raja téh. Pok wéhnyarita, cenah, teu kudusungkan-sungkan daléléngo han ieuh. Keun waéteu kudu loba tinimban-gan, lantaran geus puguhsagala rupana. Payuskacida pangéran kawin kaputri raja!

“Upami kitu kahoyongsalira, mangga ngiringan,”pokna ka raja.

“Sukur atuh ari kitumah,” walon raja.

Sangeus jinek, rajacacarita. Intina mah,maheut keun rarancangkariaan nikahkeun pu-trana. Atuh, harita kénéhpihak karajaan téh ngon-dang para gegedén nagara.Prung babadamian, sartahasilna diémbarkeun kasakumna rahayat.

Cunduk kana waktu,ninggang kana mangasa -

na, dina hiji poé mahprung wéh upacarajatukrami putri raja kapangéran téh dimimitian.Dina waktu walimahan,taya saurang ogé nunyangka yén nu keur di -rapalan téh duanana géawéwé.

Dina séjén waktu, rajanepikeun bewara. Kitu téhluyu jeung jangjina, upamaanakna geus boga salakikalayan ka nu cocog jeunglelembutanana, éta mi-nantu téh rék dijeneng -keun jadi raja. Saréréa gényakséni jeung nyaluyuan,malah aratoheun kacida,lantaran raja anom téhtaya cawadeunana.

Putri Budur kapaksakudu nyumputkeun semu.Kitu téh, lantaran sadarkana kaayaan dirina nukeur nyumput buni di nucaang. Kudu titih-rintihdibarung ku ngabali-tungkeun sagala rupana.Inyana téh sadar pisanmun katohyan baris

ngarandapan mamala numoal gampangdiungkulan ana.

Upama nyuputkeundiri ka batur teu pati hésé,beda deui jeung ka batursakasur mah. Ku lantarankitu, kapaksa ieu raja téhméakeun waktuna keurngurus ngatur nagara.Atuh, mun reup peutingwaktuna nepungan garwa -na, kapaksa kudu néangancara sangkan mun waktu -na hanjat ka pangsaréantéh, putri raja kudu geusngageubra.

Saban peuting, waktuPutri Budur téh ngandibéakeun keur solat, solatisa, solat sunat, jeungpeutingna solat tahajud.Kituna téh, bari jeungneneda ka Nu Maha -kawasa sangkan sagan-cangna meunang pituduhgeusan lesot tina bang-baluh hirup.

Peuting ka-211

Poé séjénna, PutriBudur saperti sasari,ngalaksanakeun pancénnagara. Dina sual kamam-

puhan ngurus nagarajeung mingpin rahayatmah taya cawadeunana.Ngan, orokaya, anggér wégeus balik ka karaton mah,bingung, pangpangna mahningali pasemon PutriHayati Nufus nu bangunsedih kingkin.

“Ku naon bet bangunsedih rayi?”

Teu talangké, nu di-tanya téh balaka. Cenah,salila ieu dirina téh teuweléh ngilungan kalakuansalaki nu teu katepi kuharti teu kahontal ku akal.Batur mah, panganténantéh suka bungah, tapi nukaalaman ku dirina mah,sabalikna. Ngan, kapaksateu wani balaka nu saujrat -na ka raja mah, da sieunku mamalana.

“Ari saterusnakumaha?”

Pok deui putri téh nga-jwab. Cenah, kapaksa wébasa isuk-isuk tadi mahbalaka, yen dirina téhmasih keneh tacanngararsakeun madunarumah tangga, lantaran tisaprak ngawangun rumahtangga, sare gé tacan

Manglé 2450 11

ngarasa sagebrug. “Janten,ama téh kacida benduna,”pokna.

Daradad deui putri téhmedar sagala rupa caritaanraja. Intina mah, munpeuting engké anggerkénéh kawas saméméhna,raja baris nyokot deuikakawasaan ti minantuna.Malah, teu mustahil munahirna pihak karajaan téhnibankeun hukuman anukacida beuratna.

Ngadéngé caritaanputri kitu, Komarujamanmamalihan téh, ngahu-leng. Ras inget ka salakina.Kajurung ku rarasaanana,putri téh sasambat melas-melis, nu kekecapananamatak nodel mamaras rasanu ngadéngékeunana.

Putri ngadeukuetn.Neuteup beungeut salaki -na nu keur bangun sedihkacida. Nu diteuteup

males neuteup. Prokpaadu teuteup.

Pok Putri Budurnyarita. Ditetek taya nukaliwat. Lalakon PutriBudur kitu, matak ngésé-tan haté Putri Hayati. Ceukpikirna, mun éta kajadiantumiba ka dirina, tangtumanéhna gé bakal ngala-man tunggara, nu boamoal kuat nadanganana.

Dina ahir caritaanana,Putri Budur miharépsangkan putri éta karajaantéh bisa ngajaga rusiahna.Atuh, cenah, isuk jaganingpagéto mun geus patepungjeung salakina, geletukbatuna kecebur caina mah,urang pasrahkeun we kaNu Mahakawasa.

Putrti raja, kacidakarunyaeunana. Manéhnajangji rek mélaan PutriBudur. Ceuk pikirna, moalhésé akon-akon ka kolotna

mah, da moal enyanaléngténg tetelepék.Intina, éta putri téh réksaolah-olah umumna nurumah tangga.

Peuting éta mah, PutriBudur jeung Putri Hayatitéh saré dina pangsaréannu sarua. Guntréng ngob-rol dibarung ku silih gon-jak. Kakara reup wancijanari. Teu lila kahudang -keun ku adan subuh.

Puting ka- 212

Malikan deui carita.Kacatur deui Raja Syahra-man, waktu anakna teubalik dina wancina mu-lang, raja téh reuwaskacida. Enya, ogé percayakana kagagahan anaknakomo deui aya baturna nusidik luhung elmuna,angger wé teu tingtrim.Inggis ku bisi rempan ku

sugan, da jalma mah tarasalilana punjul. Nu di -gajaya ge bisa keuna kuapes!

Waktu nu ditunguanteu jol mulang, raja téhlangsung maréntahkeunbaladna sangkan nyusul kapamoroan. Teutinggaleun, raja gé jengkar,kalayan mingpin pasukanhusus. Teu hésé, ujug-ujugkapanggih wé laratanana.Malah, raja pisan numanggihan papakéanKomaru jaman nu geusrangsak guyang getih. Tegweh, tangtuna anakna téhgeus taya di kieuna.

Dina kaayaan sedih,Raja Syahramanngumpulkeun balad-balad na. Sanggeuscacarita, bring marulangka nagrina. Kasedih raja,tépa ka rahayatna. ***(Hanca)

12 Manglé 2450

Nyi Nisah ngadéngépélét-pélét kitu,robah riuk

beungeut na, ku Si Abdullahdisangka duméh héran baé,teu nyaho kana kandunganhaté pamajikan. Bojonaingguk-inggukan bari ném-balan: “Enya, enya, tuluykumaha?”

“Tah ayeuna kieu,” ceukSi Abdullah, “isuk Enokbiasa baé dagang ka NyiRapiah. Mun Nyi Rapiahmeuli kadaharan sabisa-bisa béré nu beueus-beueusdikalapaan atawa dikinca -an. Manéhna téh meureunbongoh, moal molotot baénénjokeun daganganurang. Tah sabot kitu, étapélét ku manéh cicikeunkana balanjaan Nyi Rapiahsing bisa, ulah katara.Ngarti?”

Nisah: “Dicicikeun? naari kitu cai?”

Abdullah haréwosnompo beungeut: “Sttt ...tong geruh. Heueuh, cai,pélét, ‘cimata-duyung’ téa.”

Nyi Nisah mani nga-

jenghok ngadéngé salakinanyebut cimata-duyung téhpuguh éta anu dilalamun tibaréto ogé! Lain teu katarapamajikan ngajenghok téh,tapi ku Si Abdullahdisangka héran biasa baé,malah kusiwel botol leutiktéh dikaluarkeun tinapésakna. Nyi Nisahdipapata han peta-petanasarta dimulamantian pisanulah loba carita ka saha-saha gé, disingsieunanmagar lamun kanyahoanku pulisi nerapkeun péléttéh dibui, dibuang cara nungaracun.

Cék pamikir Si Abdul-lah, ku jalan kitu, manéhnatéh bakal bebas tinasangkaan. Upama dina pa-pariksaan pulisi engkékatangen yén Nyi Rapiahpaéh diracun, nu dicerektéh geus tangtu Nyi Nisah,lamun diambat, Si Abdul-lah mah rék mungkir ade-gan kalawan wanidisumpah. Sakitu tahtelenges na Si Abdullah téh,nepi ka pamajikan rék di-

jieun wadal.Geus bérés badami

jeung peupeujeuh, “cimata-duyung” ogé diampihan kuNyi Nisah. Si Abdullahsuge ma pikirna, asa bakalpunah majar kanyeri ka NyiPiah, nu ceuk pamikir SiAbdullah mah magar téh“dijeujeuhkeun bet malesku nganyenyeri”. Kitupuguh gé, jelema sasar mahbebeneranana sok tibalik,awéwé digubruskeun gémagar dijeujeuhkeun.Puguh-puguh ngabedol pa-majikan batur téh lampahdoraka, pangrasana mahbet sohor. Éta deuih,kagembang ku duit salawépérak, maké lulas kana patibatur.

Nyi Nisah ogé poharangarasa sugemana, sababjaba ti salaki ngadadakbageur téh, bet boga pélétanu meunang hayang ti ba-heula. Ceuk itungan NyiNisah nu bodo: “Bet gam-pang-gampang diterapkeunka Nyi Rapiah, mending kumanéhna diterapkeun ka SiAbdullah, ambéh nyaaheunjeung asih, sina nangkelsina montél. Mun teu ayeu -na iraha deui, ngahajanéangan moal enya kabeuli.

Hanas magar geusan NyiRapiah, béjakeun baé geusditerapkeun, da moal ayanu naléngténg ieuh. Lamunteu aya kabubuatanan diawak Nyi Rapiah, éta mahmeureun pélét cambal, teumental, da béjana sok ayajelema anu bandel! wisayaatawa pélét.” Kitu ceukpikir Nyi Nisah, awa ... lain-lain acan pikir, éta mahgerak-wisat perbawa lala-munan.

Biasana subuh-subuhNyi Nisah sok hudang. AriSi Abdullah mah atudangantor henteu, ka sawahtara, hudangna téh sokbeurang, bojona mah geuska mana boa. Ari peta olo-olo, cara putra baron, hu-dang molor téh kudu geusnyampak cikopi dinagopikan digurubed ku sim-but butut ambéh kasampakpanas kénéh, da ku NyiNisah disadiakeun isukkénéh, méméh indit nyam-peur dagangan ka Ibu HajiUbeng. Mun teudisadikaeun cikopi, engkeari balik ngider, Nyi Nisahcadu tarima bengep di-cabokan.

Isuk éta gé nya kitu,sabot Si Aom Koko-

{ 19 }Ku M.A. Salmun

Manglé 2450 13

rompong ngagojod kénéhtéh Nyi Nisah mah geussadia cikopi maké cai anudina botol leutik téa.Awahing hayang puas,botol téh maké dikungkura-han ku cikopi, dihijikeundeui kana gopikanna.

“Hag siah,” ceuk NyiNisah, “geus dipélét kitumah Si Bedul téh piraku teusujud kana dampal sukuaing, tuman lalaki kitumah, kudu sina ngoron-dang bari acong-acongannyembah hayangdipikarunya. Cekeng téh:hayoh sia, rék kumaha?Lebok kainyah.”

Geus sagala bérés, NyiNisah indit rék nyampeurdagangan. Bari leumpang,botol leutik anu manikorén das téh dialungkeunka susukan geuleuh. NyiNisah leumpangna maningagandeuang bawaningsugema pikir; di-wawaskeun: balik ngiderdipapagkeun ku salaki,dirontok jeung dice-ungceurikan. Emh, ayani’mat!***

7Deukeut ka wanci

manceran —harita NyiNisah keur di KajaksaanGirang, ngélék nyiru koré-das— nyebar béja, pabéja-béja sadayeuh Bandung,yén Abdullah paéh aya nungabaruang. Mimitikadéngé gegerungan kutatanggana, aridisalampeur keun bet keuradug-songkol bari mencé-tan beuteung, utah-ugerpinuh dapur pinuhpatenga han. Béja téa ka NyiNisah ogé nepi, atuh po-hara ngarénjagna. Gura-giru manéhna balik. Dijalan kénéh Nyi Nisah geusrambisak, nepi ka buruanmah gauk baé midangdam;abus ka imah aeuk-aeukan.

Najan Nyi Nisah awéwébodo, tapi manginget jeungwirasatna mah da teu paéh,

rasana hirup. Kumanéhna,masing teu kahartieun gékarasaeun, yén anu kusalakina disebut pélét téhsaenyana mah racun geusangabaruang Nyi Rapiah.Sabodo-bodona jalma, aridiancam bahya mahmangingetna sok ngabéja -an. Sok sumawonnamanusa, sato anu teu bisamikir gé ari nyaho ayabahya mah sok hayangsalamet. Ku Nyi Nisahkarasaeun, yén lamunmanéhna waleh ngakunyici keun cai tina botol leu-tik kana cikopi, tangtumanéhna cilaka, didakwangaracun. (Da jeung enyaari batinna mah Nyi Nisahtéh henteu ngaracun.Sakanyaho manéhna mahnu dina botol téh pélétcimata duyung).

Lantaran dina paparik-saan pulisi Nyi Nisah ngakuteu terang naon-naon,jeung sakur nu wawuh ka

Nyi Nisah padangamustahil keun yén NyiNisah aya guam ngaracunsalakina, leuh, awéwémacem kitu, pimanaeunboga wawanén ngaracun(ieu mémang bener), jadipulisi gé teu teterusannerka. Komo nénjo petaNyi Nisah enyaan ceurikkanyenyerian mah.Saurang gé teu aya nungira, yén Nyi Nisah mahsaenyana nyeungceurikanpolahna pribadi, dikiraceurik nyeri ku ditinggal -keun maot baé. Sangkaansaréréa, nu ngabaruang téhasupna tangtu sabada NyiNisah kaluar ti imah réknyampeur dagangan, sabotNyi Nisah kaluar ti imahrék nyampeur dagangan,sabot Si Abdullah tibarakénéh. Ari ka Si Abdullah,—pulisi gé terangeun—puguh réa pisa nu ngéwaatawa kanyenyerian, bohnu digerejud pamajikan -

ana, boh nu dilicikanngadu, boh nu ditupubarangna jeung jaba ti éta,ku saréréa geus dianggappantes, lamun di antara nukanyenyerian jeung nungewa eun téa tuluyngabaruang. Pulisi gé kituanggapanana; jadi ayeunanéangan nu ngabaruangtéh kudu luareun imah SiAbdullah. Tapi saha kira-kirana? Urang Bandungsilih-tanya, ma’lum jamanharita, rasiah pulisi téhbabari pisan nyebar ka luar.

Jadi mungguh hakékatna, henteu kurang henteuleuwih, nu terap ka Si Abdullah, hukumullah anu adil, anu teu pilih kasih, wenang ngaganjarngahukum, sabab pikeun Allah mah, taya sulit taya buni, unggal dosa sadia huku-manana.

Jeung Allah ma taranyiksa, salawasna welas-asih, mun aya nu nandangsiksa, siksa ti dosa pribadi, adilna Maha Suci, ka nu kaniaya hasud, sok rajeun kajadian, tamiang meulit ka bitis, nu cilaka ku pitapaknasora ngan.

Nyi Nisah bébas tinasangkaan jeung dakwaan.Nu narénjo pada watirngadeuleu nu ceurik manigégéréléngan kawas budak.Saréréa nyangka yén ceuriknyeri katinggal salaki, teusaurang-urang acan nungira, yén Nyi Nisahnyeung ceurikan dirinapribadi. Nénjo nu ceuriknepi ka kitu, beuki leungitbaé terka ka Nyi Nisah téh,kalah pada ngarupahan,malah ku Ibu Haji Ubengmah nepi ka dikaléngdibawa diuk. (hanca)

Alhamdulillah, kiwari urangsadaya na parantos nincakétangan taun Hijriyah anu

énggal, nyatana taun 1435 Hijriyahnu dikawitan ku sasih Muharram.

Ku gentosna taun Hijriyah ieu,kanggo urang salaku muslim mahngandung hikmah anu peryogi di -piémut dina raraga ngaronjatkeunajén diri, utamina dina tarékahngawedelan iman sareng akidah,katakwaan, katut ibadah ka Manten -na.

Sakumaha nu tos kauninga kuurang sadayana yén étangan taunIslam (taun Hijriyah) téhdideklarasikeun ku alpukahnaAmirul Mukminin, Umar binKhaththab r.a. , nyatana dicandaktina perjoangan dawah Rosulullohsaw. katut para sohabatna nalika hij -rah (ngalih) ti Mekah ka Madinah.Umar henteu nyandak étangan taunIslam tina kalahiran atanapi wafatNabi saw., ogé sanés tina peristiwaIsro sareng Miraj, atanapi tinangawi tan lungsurna ayat Al Quran.

Hal éta taya sanés kumargi peri-stiwa hijrah Nabi saw. katut parasoha bat téh mangrupi peristiwa anuteu kinten kebek ku ajén jihad anuageung margi seueur rosikona dugika jungjunan Nabi saw. ku anjeunnandonkeun pati. Ku kitu téh dapuguh kaom kafir Qurés teras-terasan ngaganggu lumangsungnadawah Rosululloh saw. Anapongangguanana sanés baé mangrupiprovokasi, nanging ku ancamanpati.

Nanjeurna Dienul Islam, disagédéngeun nashrullah (pitulungAlloh) ogé ngalangkungan tarekéhjihad anu soson-soson Rosululloh

saw. katut para sohabat. Salami tiluwelas taun anjeunna umajak kakaom Qurés di lelewek Mekah,salami éta kaom jahiliyah ngayakeunperlawanan, utamin para gegedugna.

Nabi saw. waktos harita cumelukka sakumna manusa sangkan baba-lik pikir tina ageman jahiliyah kanaagama tauhid, nebihan syirik,nyieuhkeun sagala rupa paripolahjahiliyah anu tos jéntré ngotoran ka-mulyaan sajatining manusa. Nya kitudeui nyembah tapékong atanapiberhala, ngukut takhayul, mépéhékkaom wanoja kedah ditebihan. Kukitu téh sangkan martabat manusabener-bener aya dina kamulyaan, teukaci ngagunasika sasama. Ukurankamulyaan manusa, sanés harta nudipibandana, ogé sanés tahta/jaba -tan nu dicangkingna, nya kitu deuirupa naha kakasépan atawakageulisan, nanging katakwaan kaAlloh SWT.

Dina emprona, panggero,kanyaah, sareng kadeudeuh Rosulul-loh saw. téh kalah pada ngalélécé,malah ngalawan anu teu kintenmahabu na. Para gegedug Qurésngarasa kaancam harga dirina lamunajaran Islam anu dicandak ku Rosu-lulloh ngélébét di Mekah. Ku kituna,maranéhna teu eureun-eureunngayakeun perlawanan ku pirang-pi-rang cara dugi ka ngancam pati. Soksanaos kitu, Nabi saw. katut parasoha bat nu tos lebet Islam nu jum-lahna sakedik kénéh henteu boboléh,teras ngélébétkeun sumanget dawahka kaom jahiliyah sangkan dina hijiwaktu mah kénging hidayah.

Sanés BoboléhDi antawis perjoangan Rosulul-

loh téh nyaéta hijrah ti Mekah kaMadinah. Aya nu nyebatkeun (orién-talis), cenah ngalihna Rosulullohsaparakanca ka Madinah téh alatanboboléh, kasoran. Padahal sanéskitu, nanging mangrupi stratégiatanapi siasat kanggo ngempelkeunkakiatan, boh lahir boh batin kanggongaronjatkeun ajén perjoangansalajeng na.

Anu janten bekel utami hijrahkaom muslim, taya kajabi anging kuwedelna kaimanan dina diriaranjeun na. Anapon iman sarengakidah téh hal utami anu tosditanceb keun ku Rosululloh saw.nalika di Mekah.

Ku kituna, nalika aya pancén hij -rah ti Alloh SWT ngalangkunganNabi saw., kaom muslim henteukalékéd sok sanaos karaos abot daapan kedah paturay sareng kula -warga, kedah ngantunkeun lemahcai nu dipikameumeut, kedah ngan-tunkeun harta pakaya, demi miharepkaridoan Alloh SWT. Malih hartapakaya dijantenkeun bekel kanggongalengkepan perjoangan bari hen-teu aya rasa mangmang deui.

Ku kituna, Alloh SWT maparinkaunggulan tur ngangkat darajataranjeunna sakumaha nu dicutatdina pidawuhNa:

"Jalma-jalma anu ariman, hijrahjeung jihad dina jalan Alloh ku hartabanda jeung dirina, leuwih luhurdarajatna mungguhing Alloh, jeungmaranéhna téh jalma-jalma nupinun jul. Alloh nepikeun béjagumbira ka maranéhna kalayanrohmat, karidoan Alloh, jeungsawarga anu di jerona maranéhnameunang kanimatan anu langgeng."(QS At Taubah: 20 - 21)

Metik Hikmah tina Peristiwa Hijrah

Ku Féndy Sy. Citrawarga

14 Manglé 2450

Iman jeung IhlasKonci suksés merjoangkeun

agama Alloh sapertos dilaksanakeunku Nabi saw. sareng para sohabatnalika hijrah nyatana nyepeng delegkaimanan anu dibuktoskeun kukaihlasan. Ihlas ngorbankeun sagalarupi anu diperyogikeun ku perjoa -ngan téa. Dina hal ieu tegesnadawah, umajak ka umat kana jalanhak nebihan kabatilan.

Ngalaksanakeun amal kalayanjejer ihlas atanapi janten jalmi anusalawasna mukhlish kacidaditekenkeunana ku Alloh SWTsakumaha pidawuhNa nu hartosna:

"Caritakeun (Muhammad), saés-tuna kuring diparéntah sangkannyembah Alloh kalayan pinuh kaih-lasan sarta ngamurnikeun katoatanka Mantenna dina ngajalankeunagama. Jeung kuring diparéntahsangkan jadi jalma anu pangmung-garanana sumerah diri." (QS AzZumar: 11 - 12)

Kitu gambaran perjoangan kaommuslim dina ngudag karidoan Alloh.Cindekna, sagala rupi hal kedah di-jejeran kaihlasan sarta panceg dinaistikomah ngajalankeun agamaAlloh. Tegesna, ngabuktoskeunayana iman teu cekap ku pangangke-nan dina manah atanapidikedalkeun dina lisan, nangingkedah dibuktoskeun ku amalpadamelan anu nyata.

Nu disebat Diinul Qayyimah,agama anu lempeng/istikomah, disagédéngeun iman anu wedel, étakaimanan kedah dibuktoskeun kungajalankeun saréat Islam sapertossolat, zakat, sareng sajabina.

Pidawuh Alloh dina Al Quran nuhartosna:

"Padahal maranéhna henteu di-paréntah anging sangkan nyembahAlloh kalayan ngamurnikeun ka-toatan ka Anjeunna dina nga-jalankeun agama kalayan lempeng,sarta sangkan maranéhnangadegkeun solat jeung zakat. Tahéta téh agama anu lempeng." (AlBayinah: 5)

Dina hadis ogé seueur katera -ngan perkawis peryogina kaihlasandina perjoangan nanjeurkeun agamaAlloh, malih aya patalina sarengperistiwa hijrah. Tegesna, suksés hij -rah keur kaom muslim téh nyatana

gumantung kana kaihlasan niatna,niat anu ihlas karana Alloh nya tang-tos karidoan Alloh nu diarep-arepna.Hadis nguningakeun nu hartosna:

"Sohabat Umar bin Khaththabr.a. sasauran: simkuring ngadanguRosululloh saw. ngadawuh: saéstunasahna sakabéh amal gumantungniat na. Jeung hiji pagawéan anu di -pigawé ku jalma gumantung kana ni-atna. Sing saha anu hijrah karanamiharep karidoan Alloh jeung Rosul -Na, maka karidoan Alloh katut Ro-sulNa anu baris kapanggih. Jeungsingsaha anu hijrah karana rék néa -ngan harta banda atawa karanaawéwé anu rék ditikah, maka naon-naon anu dipiharepna éta nu di-alana." (HR Bukhori sareng Muslim)

Kitu pidawuh Rosululloh saw.ngeunaan peryogina niat anu ihlasdina berjoang miharep karidoanAlloh. Hal éta tos dibuktoskeun kuanjeunna nalika hijrah téa.

Ciri amal anu ihlas ku ayana hatéanu beresih, wening, tina sagala rupikasakit batin kayaning sirik pidikatanapi harepan kana ruruba dunya.Dina hadis kauninga nu hartosna:

"Sohabat Abu Huraéroh r.a.sasauran yén Rosululloh saw. paran-tos ngadawuh: Saéstuna Alloh SWThenteu ningal (meunteun) kaayaanawak sarta rupa maranéh, tapi Allohmeunteun kaihlasan haté maranéh."(HR Bukhori sareng Muslim)

Ku ayana haté nu beresih barispanceg nyekel bebeneran, imanbakal wedel, henteu kapangaruhanku naon baé sabab sagala rupidiséndér keun kana kayakinan ayanaAlloh. Hadis nguningakeun deui nuhartosna:

"Mun téa mah salasaurang di an-tara maranéh ngalakukeun paga -wéan di jero guha anu teu aya pantojeung liangna, maka éta amal tetepbakal bisa kaluar (tetep dicatet kuAlloh) nepi ka iraha waé ogé." (HRBukhori sareng Muslim)

Nimat nu Ageung AjénnaKu kituna, para salafus saléh

ngagolongkeun kaihlasan atanapikaridoan dina jihad ngabéla agamaAlloh mangrupi kanimatan anu teukinten ageung ajénna. M. YunanNasu tion dina bukuna "KhutbahJumat" nerangkeun:

"Sikep rido téh mangrupa kani-matan rohani anu pangluhurna. Ahlitasauf Ibn 'Atha' sasauran, rido téhkatenangan/katingtriman haténampi hiji perkara anu dipilih Allohkeur hambaNa. Aya ogé ahli tasaufséjénna nu sasauran yén rido téhpuncak tawakal, narima katangtosanAlloh kalayan senang, haté anu tu-mampi aya dina yuridiksi hukumAlloh.

Nalika Abu Hazim aya nu naros,harta naon anu pangmahalna,anjeun na ngawaler, sikep rido kanakarunia sareng takdir Alloh.

Ku kituna tiasa dicindekkeun yenrido téh - sakumaha disaurkeun kuDr. Yusuf Qardhawi - nyaéta nimatrohani sabagé karunia anudianugrah keun ku Alloh, tumuwuhalatan iman anu wedel sareng alatanmiara hubungan anu tartib sartateras-terasan ka Mantenna. (Al Imanwal Hayat, kaca 135)."

Hijrah nu UtamiSakali deui, unggulna jihad dina

raraga dawah Rosululloh saw. sarengpara sohabat ngalangkungan hijrahtéh didadasaran ku kaihlasan, lilahi-taala, miharep karidoan Alloh dugika kapetik hasilna kaala buah mang-paatna. Témahna, Islam sumebarsanés baé di lelewek Arab nangingnyambuang ka mana-mana tug dugika nagri urang.

Ku kituna, kanggo urang ayeunanu kapapancénan neraskeun risalahdawah Islamiyah luyu sareng ka-mampuh séwang-séwangan, sawad-ina metik hikmah tina peristiwahijrah. Tegesna leres-leres matri -keun kaihlasan dina diri saparantosmibanda iman anu ogé dipihareptetep wedel sakumaha anu parantosdibuktoskeun ku Rosululloh saw.sareng para sohabatna.

Sanaos tangtosna hijrah kanggoumat anjeunna kiwari sanés hijrahdina hartos ngalih tempat wungkul,nanging hijrah nu utami nyaétangarobih paripolah awon kanakasaéan, tina kabatilan kana hak,masiat kana toat nu karaosnalangkung abot batan hijrah patem-patan. Nanging nya di dinyangancik na perjoangan atanapi ajénjihad mah, tegesna jihad ngayonanhawa napsu. ***

Manglé 2450 15

Hukum Puasa Asyuro

Patarosan:Ais Pangaping Tanya Jawab Mu-

nara Cahya anu dipihormat, badétuma ros perkawis saum dina poéAsyura (tanggal 10 Muharram). Nahakalebet wajib? Kumaha asal-usuldisunat keun saum dina poé Asyura?Sim kuring nyuhunkeun katerangan -ana, boh tina Alquran atanapi tina Ha-dits. Hatur nuhun.

Wassalam,Afif Rahman

Palered Purwakarta

Waleran:Sami-sami hatur nuhun kana

sagala rupi perhatosanana. Kalenderhijriyah mangrupa taun nu biasadiguna keun ku umat Islam, sok sanaosumat Islam di urang lolobana henteumerhatikeun kana kalender hijriyahieu, atawa henteu arapal kana panang-galan hijriyah. Kalender hijriyahdimimitian ti bulan Muharram,kalawan dipungkas ku bulan Dzulhij-jah (Rayagung). Bulan Muharram kaa-sup salasahiji bulan suci dina taunhijriyah anu disebut “Syahrul Hurum”sajabi ti tilu bulan lianna, nyaéta DzulQa’dah, Dzulhijjah, sareng Rajab. Lan-taran kitu, éta bulan nu opat dianggapbulan suci tur mulya, mangka di-haramkeun umat Islam ngayakeunpeperangan dina éta bulan.

Husus bulan Muharram anu mang -rupa bulan munggaran kalender hijri -yah, seueur pisanka u tama an- kautamaan anu pantesdipiéling ku umat Islam. Hasan Bashrikantos nyebatkeun, henteu aya bulandina sataun salian ti bulan Ramadhananu langkung agung tur mulya dipayuneun Alloh ti batan bulan Muhar-ram. Malihan aya ulama anu nyebat -keun bulan Muharram disebat“Sayhrulloh al-Asham” hartosna bulanAlloh anu tengtrem, nuduhkeun bulananu kacida mulyana.

Di antara kautamaan anu aya dina

ieu bulan nyaéta disunatkeunngalaksana keun saum, utamina saumdina poénan tanggal 10, anu disebutsaum ‘Asyura (Asyuro). Dina Haditsdisebatkeun, wiréh Siti Aisyah kantosngariwayatkeun sapartos anudiriwayat keun ku Imam Bukhari-Mus-lim, anu unggelna nyebatkeun, yén poé‘Asyuro nyaéta poé kasapuluh bulanMuharram. Dina poé ieu aya katera -ngan nu nerangkeun, yén di jamanjahiliyah urang Quraisy tos biasangalaksanakeun puasa, kalebet Rosul-ulloh SAW. Kaayaan saperti kieulumangsung nepi ka Rasul hijrah kaMadinah. Ku hal kitu, di awal-awaltaun Nabi hijrah, puasa Asyurohukumna wajib, sakumaha disebat -keun dina Hadits anu sumberna tiSalamah bin al-Akwa. Namung hukumwajib puasa Asyuro robah janten sunathukumna, saatos turun paréntah(wajib) puasa bulan Ramadhan dinataun kadua hijriyah. Hartosna kawa-jiban puasa Asyuro kapupus ku kawa-jiban puasa di bulan Ramadhan,sedengkeun puasa Asyuro hukumnajadi sunat.

Namung sok sanaos puasa Asyurohukumna sunat, kautamaana ulahdipopohokeun. Abu Hurairah kantosngariwayatkeun Hadits ngeunaan kau-tamaan puasa Asyuro. Disebatkeundina éta Hadits, wiréh puasa anu pa -ling utama saatosna puasa Ramadhannyaéta puasa di bulan Muharram,jeung solat anu paling utama saatosnasolat wajib nyaéta solat Tahajud.

Seueur pisan kautamaan puasa dibulan Muharram, utamina puasa dinapoé Asyuro. Abu Qatadah al-Ansharinyebatkeun, puasa Asyuro tiasa nutupdosa-dosa sataun ka tukang, boh dosa-dosa leutik atawana dosa-dosa gedé.Kautamaan lianna, saperti dijelaskeunku Ibnu Abbas wiréh Rasulullah SAWhanteu ngalaksanakan puasa dina poé-poé séjénna kalawan bari ngalap kau-tamaana salian ti puasa dina poéAsyuro, tegesna puasa dina poé Asyuroleuwih utama ti batan puasa sunat dina

poé-poé séjénna.Puasa Asyuro ogé mangrupa sun-

nah Nabi Musa AS anu mangrupasalasahiji bentuk jeung tanda rasasyukur disalametkeun ku Alloh tina an-caman bala tentara Fir’aun. Lajengdisunat keun puasa Asyuro ka umatNabi Muhammad SAW. Hartosnanutur keun salasahiji sunnah NabiMusa AS. Hal ieu dumasar kana HaditsRasul anu sumberna ti al-Rabi’ binAfra’, anjeuna nyarioskeun, wiréh Ro-sululloh SAW kantos maréntahkeunutusan ka désa-désa Anshar anu aya disabudeureun Madinah dina poéAsyuro. Lajeng Rasul ngadawuh, singsaha anu ngalaksanakeun puasa,mangka teruskeun puasana, jeung singsaha anu can niat puasa, mangka geuraniat seja puasa dina éta poé.

Dumasar kana pidawuh kitu,mangka ti wangkit harita para sahabatNabi ngalaksanakeun puasa dina poéAsyuro tur ngajarkeun ka anak-anaknabari ngabéwarakeun ka para sahabatlianna, sangkan ngalaksanakeun puasadina éta poé. Akhirna sunnah puasaAsyuro ieu teras dilaksanakeun(disunah keun) ku Rasululloh SAW, la-jeng diteraskeun ku para sahabatna.

Ibnu Qayim Jauziyah dina kitabna“Zadul Ma’aad” nyebatkeun, wiréhpuasa Asyuro numutkeun kana ri-wayat-riwayat anu aya, dibagi kana tiluurutan, nyaéta: kahiji, dilakukeunsalila tilu poé, nyaéta dina tanggal 10Muharram ditambah sapoésaméméhna jeung sapoé saatosna (9,10 sareng 11). Urutan anu kahiji ieumangrupa urutan anu paling sampur -na kalawan dasarna Hadits anu kuatjeung loba. Urutan kadua, dilakukeunsalila dua poé, nyaéta dina tanggal 9sareng 10 Muharram. Puasa tanggalsalapan biasana disebut puasa“Tasu’a”, puasa anu tanggal 10 disebutpuasa Asyuro. Lajeng urutan anukatilu, mung sapoé, nyaéta dina tang-gal 10 Muharram wungkul. Sakitu,mudah-mudahan aya mangpaatna.Wallohu ‘alam.***

16 Manglé 2450

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Badan Narkotika Nasional(BNN) gawe barengjeung Yayasan Pendi -

dikan Dasar dan Menengah(YPDM) Pasundan sarta ger-akan Pramuka kwartir rantingRancaekék, ngagelar acara sosia -lisasi mahing tur ngungkulanbahaya narkoba anu ngaruksakmental masarakat, hususna ba -rudak rumaja jeung pelajar.

Eta kagiatan diiluan ku ratu-san siswa SMP-SMK PasundanRancaekek-Kabupatén Ban-dung, digelar poé Kemis (31/10).Harita, parasiswa dibeke-lan atikan ngeunaan hal-hal bahayana narkoba nukiwari mahabu sarta nga -ruksak mental jeung lakulampah masarakat, hususna pelajar. Hadir dina étaacara pajabat ti (BNN)Badan Narkotika Pro -vinsi Jawa Barat, Ping-pinan jeung guru sakola,para tokoh masarakatsarta para sepuh murid.

Wakil Ketua YPDM Pa-sundan, Drs. Soma Gan-tika, M.Si., dina bian tarana nétélakeun, dige-larna acara ieu mangrupasalasahiji tarakéh eng-goning mageuhan talisilaturahmi, meungkeutbeungkeutan tatali batinantara yayasan, sakola Pasundan,husuna jeung parasepuh murid.

Eta kagiatan, ceuk Soma, ngandungmakna nu kacida gedéna keur sa -kumna pihak. Sabab dipiharep mam-puh jadi apresiasi masarakat leuwihnyaho yén bahaya narkoba jeung zatadiktif téh henteu waé ngaruksak men-tal barudak, tapi masarakat Indonesiaumumna.

"Narkoba téh lian ti jadi panyakit nungabahayakeun, ogé musuh urang

balaréa, pangpangna generasi ngora.Ku kituna, narkoba kudu musna.”Mudah-mudahan ku diayakeunnakagiatan sosialisasi samodel ieu, ma -sing jadi atikan oge bahan pikeunningkatna ajen kawaspadaan ka baru-dak urang," ceuk Soma.

Soma nandeskeun, pasualan ngeu-naan bahayana narkoba geus jadi pa-sualan nasional, malah internasional.Narkoba jadi musuh masarakat dunya.

Ku kituna, ceuk Soma, para nono-man Indonesia kudu jadi manusa ung-

gul kalawan ngajauhan narkoba.Para nonoman Sunda husuna,

Indonesia umumna misti mam-puh jadi generasi pinunjul, jadibangsa anu kuat sarta pinunjul ditingkat dunya.

Bangsa Indonesia umumna,urang Sunda husuna, ceuk Soma,ngabogaan sikep anu santun.Masarakat anu ngabogaan sipatjeung karakter, silih asah, asihjeung asuh. Tuh pan, ceuk Somadeui natrat naker yén bangsaurang kacida pisan make kanaajen inajen kearifan lokal.

Ku sabab kitu, Somanegeskeun, pikeun nga -bénténgan arus global,nya kudu nguatan akar-akar budaya lokal, sartamisti diwujudkeun teucukup ku teori, tapi barijeung prakna deuih.

"Dipiharep ku kapun-julan-kapunjulna putra-putra daérah baris jaditokoh-tokoh Sunda numanggung boh nu di ek-sekutif boh legislatif.Léngkah jeung kanyaah -na éstu pisan dianti-antiku sakumna masarakat.Teu saeutik urang Sundapinunjul nu manggung dinasional, anu bisa di-jadikeun kareueus keurmasarakat Sunda. Nya

saperti AGK (Agus Gumiwang Kar-tasasmita) apan éta putra pinjul pituinSunda nu ayeuna jadi anggota DPR RI,ceuk Soma.

Kukituna, dipaharep, urang Sundanu manggung di puseur (eksekutif danlegislatif) masing bisa bisa ngaapresiasinaon nu jadi kereteg jeung harepansakumna masarakat Sunda. "Kudukatara ayana jeung karasa mang-paatna ku balarea," ceuk Soma Gantikanutup wangkongan.***

Manglé 2450 17

AtikanBahaya Narkoba ka Parasiswa

Drs. Soma Gantika, M.Si.,… “Nonoman Sunda pinunjulmasing jadi harepan balarea”

Acara sosialisasi bahaya narkoba digelar di komplek SMP-SMK PasundanRancaekek, Kabupaten Bandung

lian ti karunya. Pédah wémanéhna di dieu téh teuboga sasaha deui.

Kulawarga geus teuboga. Gawé teu tangtu.Dahar kadang aya, kadang

euweuh. Baju nu dipakéogé sigana téh éta deui-étadeui.

Éta mimitina mah anungabalukarkeun kuringkapikir méré baju téh.Nyedek pisan ka lebaran,piraku bajuna sararoéh.Kapan ceuk agama gélamun aya tatangga anusangsara, urang wajibméré. Nya kuring téhmeuli baju wé sasetél.Tuluy dibikeun ka ma -néhna.

Euweuh. Euweuh kaja-dian nanaon deui haritatéh. Malahan mah ma -néhna téh nunuhunanpisan ka kuring.

Ari der téh isukna uranglembur geunjleung. Maniramé. Cenah mah si Sitireuneuh. Asa teu mungkincenah reuneuh ku almar -hum salakina mah, da geuslila atuh maotna gé. Kuringmah biasa wé ngadéngéomongan kitu téh. Enyamimitina mah rada reu -was. Tapi da lain urusankuring ieuh.

Barang kuring balik di-gawé, ujug-ujug aya nunepak kana taktak di jalantéh. Geuning si Samin,manggul pacul.

“Sardi, cenah manéhngareuneuhan si Siti?”pokna. Ngadéngé kitu,ngagebeg kuring téh. Asakabéntar gelap. Geuwat wékuring téh nyentak siSamin.

“Ari manéh Saminngomong téh sok ka manawaé.”

“Éhhh... saha nu sok kamana waé téh? Urang lem-bur mah geus pada apal.Cenah si Siti reuneuh!”

Rék ditémbalan deui téhgeus kaburu nepi ka ha -reupeun imah. Langsungwaé kuring téh asup.

Barang asup, sakedapanmah kuring téh ngagebeg.Dédéngéan mah asa aya

18 Manglé 2450

Asa teu pira.Harita téhkuring ngansaukur mérébaju ka si Siti.

Na mani teungteuingeun,jadi kieu kaayaanana. Hatéjadi teu puguh rarasaan.Ceuli teu puguh dédéngé -an. Ieu deuih panon ujug-ujug teu puguh titingalian.Asa ku anéh.

Enya, teu pira ceuk ku -ring gé. Pira méré baju.

Asa Teu PiraCarpon Mimif Miftahul Huda

Pédah meureun si Siti téhranda ngora anu ditinggal -keun maot ku salakina.Tapi da kuring teu boganiat nanaon, iwal ti nga -rasa karunya. Taya deui

19

nu ceurik. Piraku aya kuntiwayah kieu? Ari disam -peur keun ka tempatdatangna sora, geuning siIsah, pamajikan kuringanu ceurik téh. Atuh dairaha teuing ngadéngé siIsah ceurik. Salila rumahtangga, asa can kungsingadéngé pamajikanceurik kawas kitu. Éta anumatak kuring reuwas téh.

Ari ditanya kalahkangabigeu. Cék pikir téh,boa-boa kitu gara-gara siSiti téa. Nya diantep wépamajikan téh. Da munkeur dina kaayaan siga kitumah moal bisa dikukuma -ha. Sababaraha poé tiharita, ngadadak méntapipisahan pamajikan téh.Kuring teu ngarti naon anunyangkaruk dina pipikir -anu pamajikan. Ari ditanyatéh ngan ukur ngajawabgeus teu bisa percaya deuika kuring. Nya kuring ogéteu bisa nyalahkeun. Damun teu nyabar-nyabarmanéh mah, moal bisabetah cicing di ieu lembur.Atuh da mun aya nanaontéh tara lila, jalma salem-bur langsung pada nya-hoeun. Jeung deuihomongan-omongananatéh ibarat seuseukeuthinis. Tara bisa dijaga bi-wirna téh. Dileuleuyan wépamajikan téh.

Sanggeus kitu, kuringlangsung ngadatanganimah si Siti. Rék nanya -keun bener-henteuna. Tapigeuning di imahna euweuhsasaha. Di tengah jalankabeneran kuring papang-gih jeung si Samin.

“Min, manéh nyaho teusaha nu mimiti ngomongyén si Siti reuneuh? Terusreuneuhna pajar ku ku -ring?”

“Éh, éta sugan bener teumanéh anu ngareuneuh -an?” Ceuk Si Samin kalahka malik nanya.

“Manéh teu percaya ka

uing?”“Lain teu percaya Di,

tapi pan kana jerona hatéjalma mah saha nu nyaho.”

“Nya enggeus lamun kitumah urang tanyakeunlangsung ka Si Sitina,” kur-ing langsung némpasomongan si Samin.

Nepi ka soré, anu di-tungguan téh teu baédatang. Isukna langsungwaé jalma salembur téhdikumpulkeun di balédésa. Si Siti cenah rék bal-aka ngeunaan kaayaanmanéhna. Kabéh jalmaanu boga pakuat-pakaitjeung si Siti aya di dinya.Kaasup kuring jeung pa-majikan.

Ari geus balaka, kalahbeuki reuwas kabina-bina.Asa teu percaya ku omon-gan si Siti, cenah kuringanu ngareuneuhanmanéhna. Kabéh percayakana omonganana, kaasuppamajikan kuring. Enyaatuh da sakumaharongkahna kuring ngabéladiri gé moal aya nu per-cayaeun. Puguh taya saksijeung teu boga bukti.

Kabéh jalma anu aya didinya malencrong ka kur-ing. Sajajalan kuring geusteu puguh pikir.

Awak di mana, pikiran dimendi. Kuring buru-burumulang. Ningali pamaji k an keur nyegruk,diomongan kukumaha ogégeus teu bisa diupahan.Manéhna keukeuh méntapepegatan.

Sababaraha poé ti harita,sanggeus dijelaskeunbébéakan, pamajikan téhtetep teu percayaeun. Geusngomong ka indung-ba-pana, angger teu bisa.Tungtungna kuring kudungéléhan; kuring kuduihlas pepegatan jeung pa-majikan anu dipika -meumeut.

Teu karasa harita betnyurucud cipanon. Asa

nyababkeun kahirupanrumah tangga kuring bu-rakrakan, tapi tetep damanéhna téh awéwé.

Kuring teu wasa mu-dalkeun kakeuheul kamanéhna. Komo nyiksamah.

Sajongjongan mahkaayaan simpé baé. Tidinya, kakara kuring bisanyarita.

“Enya teu nanaon. Nuakang hayang nyaho téh,naha saha saenyana numilampah nirca ka Sititéh?” anu tadina rékngambek, teuing kunaonjadi leuleuy kieu. Hatémah kacida ambekna, tapianu kaluar tina bahamnaha kalah kieu? Kuringteu ngarti.

“Kang Samin, Kang. Nyamanéhna deuih anu maksaSiti mitenah Kang Sardigé,” manéhna ceurik, teubisa nuluykeun deui cari-taanana. Kuring geus teubisa maksa deui Sitipikeun nyarita.

Asa teu percaya, sobatkuring, si Samin anungalantarankeun rumahtangga jeung kahirupankuring jadi kieu. Saprakkajadian éta si Saminkabur ti lembur, ngaleu -ngit teuing ka mana. Ilangnepi ka ayeuna. Jalmasalembur geus pada apalsaha anu ngareuneuhan siSiti sarta geus pada apalkajadian anu saenyana.

Kuring tetep masih tacanpercaya, naha naon anungalantarankeun si Saminmilampah goréng ka so-batna sorangan? Enya, kakuring sasatna? Cenahmah gara-gara sirik kanakahirupan kuring, numeureun aya leuwihnatina kahirupan manéhna.Beu! Emh enya, asa ku teupira. ***

Gerlong,Agustus 2013

geus lawas cipanon téh teukaluar. Nyeri haté mah.Tapi kudu kumaha deui,geus takdirna kieumeureun.

Kuring panasaran nahasi Siti bisa ngomong kawaskitu? Téga ngabohong.Padahal kuring geus ku-rang kumaha bageurna kamanéhna. Teungteuingeunpisan.

Kuring bener-beneryakin, yén kuring teukungsi milampah pagawé -an nu teu uni. Keur naonatuh boga pamajikan.Kapan sidik, boga pama-jikan téh salasahijinapikeun ngajauhan jinah.

Barang nepi ka imah siSiti, kadéngé sora anu nga-belentrang dituturkeun kusora nu ceurik. Gening siSiti keur disiksa! Ku saha?Kuring teu nyaho. Kuringgeuwat asupnyalametkeun si Siti. Ngantemahna, pareng kuringmalik karasa aya nuneung geul kana sirah,nenggel naker. Ti dinyakuring les teu ingetnanaon.

Inget-inget geus aya dinakorsi. Sakedapan mah ku -ring téh ngarasa bingung.Sirah jejedudan. Asa ngansakilat pisan kajadiananatéh, nepi ka teu apal sahanu nyiksa si Siti jeung nuneunggeul kuring.Sanggeus dipaksa nyaritakakara si Siti daék balaka.Geuning kajadian ieu téhaya patula-patalina jeungfitnah.

“Hampura Kang. Abdibener-bener teu niat mit-nah ka akang,” omong Sitibari reumbay cimata.

“Padahal Kang Sardibageur pisan ka abdi. Tapiabdi gé teu bisakukumaha,” sora Siti méhles-lesan.

Kuring ngan saukur bisangusapan tonggongna.Sanajan manéhna geus

Manglé 2450

20 Manglé 2450

Basa harita,Uing téhembé anom.Gagahdeuleu. Kuat.

Nya badag nya gedé.Tanduk gé nguir nyaseukeut. Panesna mahkeur meumeujeuhnabeuki ka bikang mah.

Tapi duka kunaon, uingmah euweuh hasrat kabikang téh. Di kandanggé loba bikang. Gareulis.Si Yayah, si Tuti, siMinah, tapi da teu beukiuing mah. Uing mah asa

resep kénéh ka papadajalu. Ngarareunah kénéhjeung jalu. Haneuteunmun saré pagelek-gelekjeung maranéhna. Tibra.

Enya, bapa uing jawaradi kandang téh. Euweuhnu wanieun ngalawanparéntahna. Bapa uingnu ngawasa, nu boga hakpilih keur saha-saha waénu kudu dijadikeun qur-ban. Tong hariwang,bapa uing wijaksana.Moal asal milih. Céekmanéhna, milih téh du-masar kana pilihan ti

Gusti nu lumungsurdatang kana impian.Jeung deuih ngimpi téhdipercaya pisan. Tongsieun! Cek bapa uing gédipeuncit dina poélebaran mah leuwih ter-hormat batan na poébiasa. Maotna gé maotsyahid cenah. Da kapanmaot dina jalan bebene -ran. Sarua jeung ngalak-sanakeun paréntah Gusti.

Teu lila, di kandanguing aya bikang anyar.Kakara ayeuna uingmanggih bikang nu Sub-

hanallah geulis pisan.Leuwih geulis batanwidadari. Teu ngan ukurgeulis, tapi mancur cahyatina haténa. Ngenclang.Beresih. Bageur pisansigana. Manéhna cocogpisan jadi indung anak-anak uing. Cocog pisanmun seug engkénangalahirkeun anak-anakuing. Sapoé eta ingngadu’a. Uing hayangboga hasrat ka bikang.Uing hayang nyumponankahayang bapa. Bogaincu-incu nu garagah tiuing. Uing hayang bogaturunan. Uing capé teuakur jeung bapa. Uinghayang nénjo bapa agulboga anak siga uing. Teucara ayeuna. Bapa siganu ijideun ka uing.Geuleuheun.

Peutingna. Gustingadangu kahayang ing.Harita awak uing panas.Lalinu. Keur ngurangannu karasa, uing aajle-ngan. Oséh-oséhanngosok-ngosok tandukkana naon waé nu ayahareupeun uing. Teukuat, hayang geurangeukeupan si Juwita,embé anyar téa. Uing teu

Qurban PerasaanCarpon Rizky Prasasti Anwari

Manglé 2450 21

bisa saré. Allahu akbar! Allahu

akbar! Allahu akbar!

La ilaha illallah wal-

lahu akbar!

Allahu akbar Wa lillahi

l-hamd..

Wanci geus mustari.Kabéh embé ngariung dikandang. Ngadangukeunbapa uing sasauran.Sasauran kanggo milih nuénjing dipeucit téa.

“Duh anaking saéstunabapa diparéntah ngali-watan impian pikeun me-uncit hidep anaking. Tah,ayeuna prak pikirankumaha alusna ceukhidep? Peuting ieudiantos kaputusanna,”bapa sasauran.

“Duh Pa! Naha Uing?Loba nu séjén nu leuwihmantes dipeuncit. SiBurhan tuh, tukangmerkosa bikang. Si étawéh nu isukan dipeucittéh Pa! Tong ing!” Uingprotés.

Bapa uing sabar. Uingnyeuneu. Uing teunarima mun kudu uingnu ayeuna dipeuncit.Uing can ngabuktikeunmun uing gé boga hasratka bikang. Uing hayangbapa katémbong bunga-heun. Uing hayang bogaturunan. Uing hayang ……………………..

“Aéh heueuh! Siganamah lantaran éta, bapamilih ing téh. Teungimpi-ngimpi acan boaayeuna mah. Cékmanéhna apan haritauing teu guna, teu bisaméré incu. Kudunageura-geura dipeuncituing mah,” gerentesna

“Ieu teu adil! Bapa uingteu wijaksana!” Uinggogorowokan bari neung-gar-neunggarkeun sirahkana tatangkalan.

Allahu akbar! Allahu

akbar! Allahu akbar!

Laa ilaha illallah wal-

lahu akbar!

Allahu akbar Wa lillahi

l-hamd..

Beuki peuting sora tak-bir beuki ngalanglaung .Ngajanggélék jadi galin-deng nu matak muridingkana ati. Manéhna geura-geura cengkat. Embéséjénna geus ngariungdeui. Bapa sasauran,“Anaking, sayaga pikeunngajalankeun paréntahGusti?”

“Teu! Ieu teu adil! Bapamilih uing lantaran ingcan bisa méré rundayanpan? Bapa éra pan bogaanak siga uing? Bapateu….”

“Teu pisan-pisan,Anaking. Saéstuna bapadiparéntah ngaliwatanimpian pikeun meuncithidep, Anaking! SingInget Anaking, yén sagalanu aya, ti mimiti hartabanda, putra garwa, tugdugi ka diri pribadina, étakabéh mangrupa amanat.Mangrupa titipan. Sa-dayana ogé milik Gusti,”bapa némpas.

“Manusa mah teungaboga-boga. Ukur nga-gaduhan tugas pikeunmulasara, ngajaga,ngariksa ogé ngamang-paatkeun sakumaha mist-ina. Miturut kapalay numaparinanana, nyatanaAlloh aza wazala,” cékmanéhna deui.

Uing ngabetem. Teu lilasi Burhan jeung Yedinyéréd uing ka pameunci-tan. Uing gogorowokan,bébéréléan, embé-em-béan. Sanajan kitu,angger percumah. Aya kupageuh si Burhan jeungYedi nalian beheung uingkana awak tatangkalan.Bikang uing, si Juwitabangun nu ngarasakeunsakur nu karandapan kuuing. Manéhna surtieunkana guligah nu karasaku uing. Manéhna

ngadeukeutan uing. TapiBurhan jeung Yedi metotmanéhna sangkan asupka kandang. Bikang uingbeuki jauh. Beuki jauh.Uing gogorowokan.

Allahu akbar! Allahuakbar! Allahu akbar!

La ilaha illallah wallahuakbar!

Allahu akbar Wa lillahil-hamd..

Beuki subuh sora takbirbeuki tarik. Uing beukiaajlengan, beukigogorowokan, motah,guligah. Nyurudukantatangkalan. Metotan tali.Tapi percumah. Awak ingkalah ka beuki leuleus,lungsé. Ssah rék kabur.Katambah ku hasrathayang ka bikang téa.Awak lalinu. Capé.Ngadu’a sangkan aya nunulungan. Tapi weléh teuaya. Sadrah ieu mah.Hirup uing ngan nepi kadieu. Anggeus semetdieu. Mereun uing mahémang teu ditakdirkeunboga turunan. Kudu ihlas.Euweuh uing gé si Juwitamah pasti boga turunan.Uing imut.

“Bapa...! Ulah dieng ke-engke, geuwat laksa na -keun! Sabab, mun seugparéntah Gusti ditunda-tunda bisi timbulnagogoda. Nu ahirna étaparéntah téh dilala-worakeun. Malah nuleuwih parna mah diting-galkeun!” Uing jo-jorowokan

“Talian uing singpageuh Pa! Méh teu lobausik, méh teungahésékeun bapa keurmeuncitna. Tutupan be-ungeut uingna Pa, ambéhbapa téga meuncitna.Seukeutan pésona, Pa!Ambéh teu karasa nye-rina. Sing gancang nya,Pa! Ambéh ngurangankapeurihna. Béjakeun Pa,ka Neng Juwita . Uing

Tresna. Bikeun bulu uingkeur manéhna, ambéh in-geteun baheula aya uingnu mikacinta, cenah di-paké méh haneut!” Teueureun ing ngagorowok.

Dina poé rayagung ieu,uing kudu ihlas maot ter-hormat. Mun enya ayasawarga husus keurembé, uing mikahareppanggih jeung bikanguing di ditu. Bikang nuleuwih geulis ti anukungsi papanggih jeunguing. Amiin.

“Heup Kang, Heup!”cek Juwita semungagorowok bari nyam-peurkeun. Uing olohok.Awak Juwita bareureum,hanyir. Siga tas dibalurgetih. Panonna reumbaycimata.

“Kunaon? Naha taliAkang diudaran? Keunbaé Juwita. Ulah, ulahmantuan Akang. Akangmoal gimir moal ringrangmoal hamham. Sagalaparéntah anu datangna tiNu Maha Kawasa mahmoal nepi ka teu dilak-sanakeun!” uing yakin.

“Tos Kang, Atos. Yucuang ka lebet. Bapangantosan,” cék Juwitabari tuluy metot kanapeupeuteuyan.

Satepina kana kandang.Ngagolépak layon si bapanu keur dirariung kuembé séjén. Uing olohok.Uing ngabetem. Getihnangalémbéréh, ngaba -yabah. Muncrat ka ma-mana.

“Sing sabar wé. Sadrah.Bapa anjeun nu geuskapeto ku Manten-Na!”haréwos Burhan. ***

10 Dzulhijjah 1434 H

Rizky Prasasti AnwariMahasiswa UPI Bandung

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Manglé 2450

Anjog ka nu di-tuju kira wancitunggang gu-nung. Soré ayaku éndah.

Panonpoé sumorot norobosdangdaunan. Cahyana lirkaén kasumba ngajajar niruklemah. Cahya anu areunteupdina dangdaunan patingguri-lap diulinkeun ku angin.

Ieu meureun tempat anudisebut-sebut dina pantundidengéng-dengéng dinadongéng téh. Tempat kara-mat. Tempat anu mangtaun-taun, meureun geus mang ratus taun, disusud ka gu-nung-gunung diaprak kaunggal madhab. Tempat anusalawasna aya dina tungtungsuku jeung pikiran kaula.Apan hirup kaula mah tu-gasna ngan néangan ieu tem-

pat. Tempat karamat anu cankungsi aya anu mangnimu -keun. Tegesna mah meu -reun, can kungsi aya anungabéwarakeun kakara-matan ieu tempat ka balaréa.Lantaran unggal anu nimu -keun ieu tempat, saterusnamah sasab di jerona.

Kereteg haté bet cumantélka dieu basa uprak-apruknété akar ngeumbing jangkarka ieu leuweung geledegan.Duka sabaraha poé, bulan,boa mangtaun-taun, uprak-aprak ngubek leuweung.Tungtungna kereteg haté téhbet ngemplong, tenang, am-bekan ogé hararampang,basa hiji soré anjog ka ieutempat. Henteu legasaenyana tempatna mah.Taya tanda-tanda husus.Para kasepuhan anu kungsi

ngadongéngkeun henteunétélakeun ciri-cirina. Anéh,kaula ogé bet henteu hayangnanyakeun. Pikiran betyakin, ciri-ciri téh henteuperlu ditatanyakeun.

Da geuning saenyana,barang anjog mah ka ieutempat, haté langsungngarasakeun. Tenang jeunghararampang basa dampalsuku mimiti ngaliwat tangkalkamper anu ngajajar lir ga-pura. Hawa aya ku seger,sumarambah kana urat-uratpanglembutna dina sakujurawak, terus ngamalir nepikana tungtung buuk jeungdampal suku. Capé anumangtaun-taun narapel sigadaki lir anu muluduh sapadaharita. Tempat karamat téhlegana mah ngan saukurandua kali lapang badminton.

Tatangkalan sagedé beu -teung munding ngajajar lirsoldadu anu ngabaris. Akarngagarantung sagedé-gedépigeulang leungeun. Dang-daunan mirupa payung anudianyam tina dahan-dahansabudeureunana. Di handap,amparan jukut aya ku asri,héjo seger, jangkungna ratalir buludru. Haté bet teuhayang tumanya, saha anungaraksa-ngariksa ieu tem-pat? Da cara ka tempat-tem-pat karamat lainna, alam ogéngarumat mariksa.

Diuk téh di juru, han-dapeun tangkal loa sagedébeuteung gajah. Tungkul.Reureuh sakedapan.

Tapi geuning haté bet jadirus-ras, ngarakacak teupupuguh. Reureuh ogérarasaan téh jadi henteuperlu. Lalampahan mang-taun-taun téh henteu karasacapéna. Anu puguh mahawak seger lir dimandian kucai wening tina mangréwucinyusu. Ngan haté bet rus-ras teu puguh rarasaan.

“Di tengah tempat karamattéh, aya hiji sumur. Sumuranu geus lukutan tina kukakolotan,” ceuk hiji kase -puhan di hiji kabuyutan.“Tah éta sumur karamat téh,sumur anu jadi panto kadunya anu anyar.”

**Sumur karamat téh aya di

tengah amparan buludrujukut. Sisi-sisina diwatesanku taneuh porang anu war-nana héjo poék kalimpudanku lukut. Warna kolot semubaseuh anu sanggup nge -leterkeun ieu haté.Tatangkalan anu rapetngawatesan, akar anu nga-garantung, kakara karasa liranu nyidem simpé. Meureungeus mangabad-abadmaranéhna layeut jeungsimpé. Boa simpé téhmaranéhna téa. Panonpoéduka iraha nyabutancahyana, da sadar-sadarhieum nuruban ieu tempat.

Sajongjonan kaula teu ng-iceup neuteup sumur. Sumuranu duka iraha mimitikanyahoanana. Da tadi mah

22

Carpon Yus R. Ismail

Dongeng Maung Jeung

Sumur Karamat

Manglé 2450 23

basa anjog, basa sup ka ieutempat, sumur téh acan aya,henteu katangen. Boa sumurtéh ayana lain di dunyanyata, dunya sapopoé kaula.Lamun kitu pantes loba anuupruk-aprak nyusud ieusumur karamat kalah sasabka sumur-sumur anu dija-gaan ku jampé pamaké jurignyiliwuri.

Jajantung mimiti ratug.Tapi ieu awak hideng nang-tung, suku hideng nga -léngkah. Cai sumur aya kuwening. Lir eunteung. Hen-teu endag saeutik-eutik acan.Aya ku éndah ngeunteung didieu. Kaéndahan anu terussumarambah kana sakujurawak. Rus-ras ka mana boa.Rus-ras kana lalampahananu kaliwat. Bet gumeter ieuhaté, nyalangkrung cisocatunggara. Apan saenyana,sapanjang hirupna, jalmamah guyang dina lautankasedih.

Tina jero cai sumur téh ayaanu mucunghul. Méh baékula tijengkang ningalina.Maung lodaya tanggah barineuteup seukeut niruk jajan-tung. Muriding sabulu-bulu.Tapi lain muriding ku sieun.Da haté mah yakin, maunganu ngagerem némbongkeunsihung jeung simana téh,henteu pikasieuneun. Boamaung sagedé anak sapi téhngajak cacarita.

Maung téh ngalanggéor kajero sumur. Sadetik sanggeusmaung ngaleungit, patingpu-cunghul sasatoan séjénna.Kelenci, gajah, bagong, ki-dang, oray sanca, banténg,jerapah, sabangsaningmanuk, monyét, kuda, jeungsato séjénna. Maranéhnangabaris lir anu keur kar-naval, taranggah ka kaula.Sukuna nu sabeulah dipakégugupay.

Sugema ieu haté ningalina.Sugema nyaksian karnavalanéh anu boa moal kungsiaya di mana waé ogé. Biwirhideng imut. Tapi teu saba -raha lila kaula méh tijeng -kang pikeun nu kadua kalina.Sora maung ngageremngendagkeun tembok sumur.

Sasatoan anu keur karnavaltéh paburencay bari pating-jarerit. Maung mucunghuldeui. Enya, ayeuna mah teu-teup jeung geremna méot -keun haté. Maung téh lir anukaeunteupan amarah. Sab-ulu-bulu cararengkat. Sukunyorodcod. Jajantung beukiratug. Kumaha lamunmaung téh ngagajleng kadieu? Mangkaning ti tadimeusmeus tanggah meus -meus tanggah siga anu ngin-tip jeung ngira-ngira jeronasumur.

“Aing enya maung anuamarah!” Si maung tutunjukku kukuna. Suku kaula hi-deng mundur saléngkah.

“Aing saksina yén jelemamawa musibah...!” ceukmaung deui.

Dina eunteung cai sumurtingpucunghul maungséjénna. Mangpuluh, atawaboa ngaratus meureun jum-lahna. Maranéhna arulin,ocon, moro sato nu jadimangsana. Teu lila datangrombongan manusa marang-gul bedil jeung tumbak.

“Manusa ngalempagkeuntumbak jeung némbakankolot aing, dulur-dulur aing,sobat-sobat aing!” ceukmaung téh.

“Keur aing saparakanca,moro téh jalan hirup. Aingsaparakanca ngarogahalapikeun dahar. Tapi manusahenteu! Maranéhna mergasa,nyiksa, lantaran kawasa.Loba dulur aing dipaéhan,disisit diarah kulit, awaksabeuleugeunjeurna mah culwaé di tengah leuweung.Manusa ngarogahala keurnémbongkeun kamam-puhna.”

Si maung téh neuteupseukeut ka kaula. Neuteupbinarung ceuceub, pinuhamarah. Tuur leuleus sapadaharita.

“Ti harita, aing téh ama-rah, dengdam. Dipergasasaha waé anu kapanggih!”

Dina eunteung cai sumurpatingpucunghul deui sasa -toan anu lalumpatan ka ditu-ka dieu, bari patingjarerit,patinglalengis, patingkocéak.

Maung téh ngagerem,ngudag, nekuk, ngerekeb,saha waé anu deukeut kamanéhna. Hiji jalma ngaba-batang bari tina beuheungnaulawéran getih tapak sihungmaung. Kuda anu adug-adugan terusna mahngudupruk sabada beu -heungna dikokos maung.Mangpuluh sato séjénnapaéh sabada ditekuk maung.Unggal poé éta kajadiankawas kitu. Unggal waktuhirup diintip-intip ku pati.

Terus mucunghul gajahanu tulaléna nununjuk kakaula. Pok téh gajahnerangkeun, “Lantaran sahawaé ogé henteu aya anusanggup ngeureunkeun tala-jak maung, nya sakabéh satodi ieu leuweung karumpulbari terus mupakat.Maranéhna bakal séba hijinyawa unggal poé asalmaung henteu ngamuk.Maung satuju. Unggal poé,enya ogé henteu lapar,maung bisa ngamalirkeundengdamna. Sato anu henteukapilih jadi séba bisa nga -rénghap enya ogé ukursapoéeun.”

Terus mucunghul kelencibari pok nerangkeun, “Nepika hiji poé séba téh nunjukka uing. Tangtu waé uinggeumpeur. Sieun. Sedih.Saha anu henteu ngarakacakbasa nyaho umur ukursababaraha rénghapandeui?”

Kelenci téh ngambekanrada lila. Pokna, “PitulungAlloh téh datang basa léng -kah geumpeur sapanjangjalan ka sayang maung, uingmanggihan hiji sumur. Uingngeunteung salila-lila.Cipanon murubut teu kaam-peuh. Tapi sanggeus ngeun-teung mah haté téh jaditenang. Ceuk haté, maungtéh maéhan lain keurbaranghakan, atuh lamunkitu mah maung téh satopikarunyaeun anu kati -deresa. Enya, katideresa kuamarahna, ku napsuna.

Rarasaan uing harita, ieusumur téh jadi panto unggalbatin anu katideresa.”

Kelenci neruskeun léng -kahna, séba diri, nepunganmaung. Saméméh maungngarogahala dirina, kelencitéh miheulaan nyarita.

“Hampura juragan maung,uing datang telat,” ceuk ke-lenci.

Maung ngagerem semuambek. “Enya, naha siadatang telat? Méh baé aingngamuk deui!”

“Kieu dongéngna anumatak uing telat téh. Dapuguh awak téh ngan sagedékieu, bisi juragan maunghenteu seubeuh ngahakanuing, nya uing téh datangduaan jeung adi uing. Tapi disatengahing jalan uing duaandipegat. Adi uing jadi kor-ban.”

“Dicegat ku saha? Sahaanu wani-wani maok sébakeur aing?”

“Bangsat anu megat téhnyaéta... hiji maung anugagah perkosa kawas an-jeun.”

Maung anu sakujur awakjeung jiwana geus kalimpu-dan ku amarah jeung deng-dam téh henteu kungsi mikirdeui. Sanggeus ngadéngécarita kelenci samodél kitu,maung ngagerem, cakarnanguwak-ngawik tatangkalananu aya di sakurilingna.Manéhna kahina. Bener-bener kahina! Kelencimundur sababaraha léngkah,jajantungna beuki ratug. Tapimanéhna yakin, nasibnangan ditangtayungan ku piki-ran jeung haté anu tenang.

“Maung bangsat téh nekukadi uing, terus digusur kajero sumur....”

“Tunjukkeun di manasumurna! Ku aing diudagnepi ka mana waé ogé étabangsat téh.”

Kelenci ngaléngkahngadégdég. Tapi terusnamah tenang deui. Di hareu -peun sumur tempat tadimanéhna ngeunteung jeung

Nyambung ka kaca 30

24 Manglé 2450

Unggal mulangka Bandung,raeng tatangganaranyakeunproyek sagu -

ling, pedah di Bandung geun-jleung ku culik jang wadalbendungan Saguling. Malahdi Ujung Berung mah, ayatukang ngarit dirogahala kumasyarakat, pedah mawakarung, disangka culik terusdikoroyok ku jalma loba, nepika hanteuna. Proyek raksasa,neruskeun lalampahanSangkuriang anu kabeurang -an, cenah mah kari sagu -lingeun deui kaburu bara nang siang, nu matak etatempat dingaranan Saguling,gunungna disebut Baranangsiang. Digawe jadi Clerk, ngu-ruskeun pagawe, ti mimitilabour, minner, foreman,ope rator alat berat, tug nepika general forman. Ratusanjumlah pagawe teh, ratusansipat jeung tabeat, malah lobajeger urang Garut anunyumput jadi pagawe, sababsarieuneun ku panembakmisterius, jaman harita parajeger diparaehan, didor kupetrus, terus dibuang kaCitarum.

Unggal poe proyek sagulingdikirim bugang jalma anuparalid, jeger wungkul, kaciridina tatona, mimitina mahbasa aya dua mayit, ku lobaandihanjatkeun terus dikubursisi lebak, tapi kadiuena mahngabrul loba teuing, sok di-antep bae sina palid kahilirkeun. Jadi proyek sagul-ing mah teu kudu nyulik jangwadal, sabab unggal poe di -kirim bugang manusa, ri-weuh culik eta mah jalma anungangpaatkeun situasi.

Pancen gawe ditugaskeunanu beurang wungkul, biasamulang jam lima sore, tapi kaparengkeun hiji poe aya clerkanu dines peuting bebeja ge -ring, atuh kapaksa meureunengke teh kudu ngantor deui.Hadena dipareng boga bojourang Rajamandala, geulis,someah murah imut, jeungasa kabeneran teh ku ba -geurna, ku belana, najanbudak keneh tapi estungabakti ka salaki, masihsakola, kelas dua sma diCiranjang, numatak kawinoge susulumputan.

“Neng, akang dinten ieukudu ka proyek deui, engkewengi”. Bari ngarasakeun caikopi haneut meunang nyieunpamajikan, bebeja rek ngan-tor deui.

“Har, kapan nembe oge uihKang, pan biasana oge Akangmah dines siang ?”.

“Eta aya rerencangan teudamang, jadi anu engkewengi teu aya clerk na, nyaAkang kedah tanggel waler,kedah ngagentosan clerk”.

“Lah boa jangjian sarengnu geulis, alesan ngantor”.

“Istri ti mana Neng, diproyek mah lalaki wungkul,ongkohan moal mungkinAkang hianat ka Neneng”.Ngabebenjokeun anu ngara-juk, ari ngaranna mah pan-jang jeung alus bojo teh, ngankabiasaan sok nyebut Ne-neng.

“Emh, si Akang sok tiasabae ari ngarayu teh, kawasanu enya”.

“Sumpahna oge daeksalamet dunya akherat,Akang pasti satia ka eneng,salamina”.

“Muhun, Neneng oge per-

canten ka Akang, nangingmoal cape kitu ?”.

“Cape mah biasa Neng,lalaki ieuh, meungpeungkaduga, meungpeung ayakasempetan, ke tos jantenartos mah kacape teh ilang”.

“Ati-ati atuh Kang, kawar -toskeun saguling mah tem-patna sungil, cenah jurignaoge sok ngandar narembong -an”.

“Atuh nyingsieunan nugeulis teh, pan ngajurung -keun, kumaha ke mun Akangdireweg jurig saguling ?”.

“Ih amit-amit Kang, moalenya Akang eleh ku jurig,moal nanaon jung di du’a -keun sing salamet, ulah soknyarios anu lain-lain, pime-langeun”.

Jam salapan peuting mobiljemputan sok nungguan disimpang tilu, waktu nepi kadinya mobil jemputan kaIntek Adit geus pinuh kupenumpang, tempat digaweteh di hulu tunnel, anungaran lokasina disebut IntekAdit.

“Pinuh geuning, kumahageus karumpul kabeh euy ?”.Tumanya ka nu geus dariukdina mobil. Bari ngalacatmuru kajero mobil, jangkungmobil teh da tina treuk meu-nang ngarekayasa, supayabisa dipake jemputan pa-gawe.

“Pa, geuning dines wengi,pan bapa mah tugasna siang?”. salah saurang pagawe tu-manya, pedah tara-tara tisasari make mangkat gawepeuting.

“Pan Pa Wawan udur, jadipeuting ieu teu aya clerk, nyakapaksa Bapa nyulurangawe”.

“Di payun atuh Pa, di dieumah tiris”.

“Di dieu bae ah resep rame-rame, kamana anu sok dica-roo ku sarerea geuning teuaya ?”. Pernah waktu katukang ngalaman dines peu -ting, dina mobil jemputan ayaawewe saurang, lumayanmanis, ngan eta awewe dica-roo digarulung dina mobil,dasar anu bangor kalahseuseurian.

“Ayeuna mah bulan kolotPa, engke pami tanggal mudasok aya, malah ayeuna mahnambahan jadi tluan”.

“Kade ah ulah sok koko-moan ku nu karitu, bisicilaka, sing inget ka nu diimah”.

“Eta oge emut ka anu dibumi, nu matak gagarayamanasa ka indung budak, heu...heu..heuy”. Dasar barudakproyek garelo, kalah raengngomong ngacapruk.

Anu disebut kantor tehsederhana, ngarana ogeproyek, tapi sababaraha lokal,tempatna persis sisi gawirlungkawing, di handapnawalungan Citarum. Mumung-gang pasir bolenang, satung-tung tenjo ukur taneuhbeureun anu bubud teu diu-rus, teu aya imah da puguhjauh ka lembur, sosoran-ganan tengah peuting di tem-pat anu araraneh, parapagawe geus arasup katorowongan, neruskeunhanca anu katunda ku rom-bongan tadi beurang.

Inget kana caritaan pama-jikan, boa enya sungil, sababmani rehe kieu, jabaning asakarareueung. Geus beresnyieun jang laporan isuk,terus ka luar ti kantor,

Dedemit SagulingKu Andang S. Argayuda

Manglé 2450 25

miceun kakeueung, luak-lieukka sabudeureun tempat,paroek, tapi langit kabenerankeur lenglang, bulan caangtanggal wewelasan.

Keur nganteur panglamu-nan bari ngajanteng di jalan,ti beh girang aya anuleumpang make seragamsepe, asa boga batur, terus di-geroan bari disampeurkeun,tapi aya ku aneh, eta jalma di-geroan teh ukur ngalieuk,terus ngungkug ka sisijungkrang, gajleng eta jalmateh luncat kana jung kranganu sakitu lungkaw-ingna.

“Asstagfirrulloh halladziim, jalma eta jurigeta teh, piraku jalmaluncat kanajungkrang, jeronajungkrang teh limaratus meter, munmanusa meureunrajit”

“Jurig eta mah”.Gebeg, ngarenjagkaget, ti tukangeunaya anu ngomongdeukeut naker,dilieuk, bet teu ayasasaha. Buru-buru kakantor deui, lampukabeh dicaangkeun,terus nyokot buku la-poran, tulas-tulis nga -brangbrangkeun.

Peuting ieu tehmalem minggu,kuduna mah ulinjeung bojo, ari ayeu nabet kudu nyangha -reupan jurig bung keuleukan,asa miris, enya oge ludeun-gan, ari kitu-kitu teuing mahmani asa sasah, teu puguhrasa. Lila ngabulak-balik bukulaporan, ngaleungitkeunkasieun, barang cengkat, betkalangkang aya dua, luaklieuk teu aya sasaha, malahkalangkang anu hiji mah betngajangkungan, terus nga-jangkungan nepi ka nembuslalangit.

Satengah sadar, gajlengluncat ka buruan, angen ratugtutunggulan, angkohan mahrek mabur ka torowongan,nyampeurkeun batur, nahaatuh tina palebah lawangtorowongan, aya anu ngabrulbari arigel-igelan, awaknapersis supa suung, sarupa,sawanda, awakna mencos ka

luhur kawas aseupan, nya sigasupa rampak wae kitu.

“Ha...ha...ha...ha, rek ka-mana manusa ?”. Eta anujangkung hideung jigakalangkang teh ngomong bariseuseurian, bakat ku sieun an-tukna kahudang kawani, ingetkana diri, terus ngawateksagala kamampuan bathinwarisan ti kolot, lumayan jadireugreug.

“Saha andika anu sabener -na, ku naon make ngajung -jurigan kula”.

“Aing anu ngageugeuh ieu

tempat, aing teu suka boganagara diruksak ku bangsamanusa, maneh ayeuna rekdibawa jang tumbal,ha...ha...ha...ha”. Eta jurigngomong garihal, ngancamrek mergasa.

“Hey raja jin kafir, kulamoal eleh ku pantar andika,kula apal ka anjeun jeung kanu nyiptakeun bangsa anjeun,ulah rek coba ngaganggusabab kula boga elmunapikeun ngahancurkeun dirianjeun”.

“Ke, ning anjeun gedekawani, saha anjeun?, ti manaasal anjeun ?”.

“Tempo panon kula, anjeunbakal apal saha ari diri kula,jeung ti mana asal kula”.

“Tobat, ampun, kula sujudka anjeun, kula moal ku-

mawani deui nyingsieunananjeun”.

“Ari itu anu ngaleut bangsanaon eta teh ?”.

“Eta teh jurig jarian,dedemit saguling, bongantempatna diganggu, mara -nehna kaluar rek mentawadal”.

“Menta wadal kumaha,ulah lalawora, ulah ganggu kamanusa”.

“Tempokeun wae ku an-jeun, anak buah anjeun bakalnungtut jadi korban, paeh dijero torowongan dipake tum-

bal”.“Ulah kitu raja jin, kula

moal mikeun”.“Najan kula teu wani

ganggu ka anjeun, tapi anjeunmoal bisa ngahalangan, sababcan waktuna anjeun bisa kitu,ha...ha...ha...ha, kula pamitrek ngampih”. Les anujangkung hideung jeung rom-bongan dedemit teh leungit,hate rada tenang teu reuwasteuing, tapi omongan jurigtadi jadi pipikiran.

Nungguan beurang maniasa lila, kajadian tadi peutingnyesakeun kareuwas, inggisku bisi rempan ku sugan, bisienya. Satengah genep jem-putan datang, nepi ka imahkasampak bojo keur ngajan-teng di buruan, ningali salakidatang pamuluna robah jiga

anu bungah, ngabageakeunku imut anu kareueut, maniasa pangbagjana sadunya, asapanggih jeung sawarga.

“Neng, dinten ieu mah ulahmasak”.

“Har, ari Akang, atuh kala-paran, ku naon kitu ?”.

“Urang jalan-jalan, ngadonemam ka sasak heubeul, panaya rumah makan di dinyateh, ngabangbrangkeun,akang tos kenging kareuwas”.

“Kareuwas naon Kang ?”.“Enyaan leres ceuk Neneng,

saguling teh sungil, yu ahurang berangkat, motornatos pinuh ku bensin”. Ulinpadu duaan dina motor, pa-majikan nangkeup pageuh,napasna karasa niupan ceuli,ieu meureun kabagjaan teh,anu kieu meureun anu dise-but nikmat hirup teh.

Dua poe ti harita, ditorowongan geunjleung,master blasting, tukangngabitukeun dinamit, maotkatinggang batu, ambulanngajerit panjang mawa layonka rumah sakit rek di visum.Duka kabeneran duka me-mang aya patalina jeung an-caman dedemit saguling,ngendek sabaraha poe taskajadian tukang dinamit, ri-weuh deui di torowongan,foreman maot ka tinggangbatu, dua urang sakaligus,duanana foreman.

Teu cukup ku kajadian ditunnel wae, geus opat poeaya dua urang foreman teuasup gawe, teu aya beja, teu

mere alesan, atuh riweuh di-tatanyakeun, tapi teu aya anumanggihan. Ngendek sapoe,ibur cenah aya dua urang kor-ban kacilakaan di jalanSukarno Hata, motor asupkana kolong treuk, mayitnaaya di RS. Hasan Sadikin, anujadi hareugeueun teh etangaranna, sarua jeung ngaranforeman anu keur diteangan.Terus disusud ka rumah sakit,beu, bener bae geuning fore-man anu geus sababaraha poeteu asup gawe.

“Duh, naha ieu teh benerkitu dedemit saguling mentawadal ?”. Wallohu allam bbisyawab.

Saguling-Rajaman-dala. Taun 1983.

JEMPLANG KARANG EUIS KARTINI

Pangaruh Cianjuran kana JiwaKu H.D. Bastaman

Neraskeun hanca dina nomer ka-mari. Aya pangalaman unik sa -watara diva tembang nu kungsi

minton di mancanagara. Cenah seringnyaksian urang asing nu ngahadiran pinto-nan loba nu reumbay cimata ngabandun-gan mamaos Cianjuran bari sama sakali teungartieun eusi rumpakana. Hartina kaén-dahan mamaos Cianjuran bisa karasa kusaha baé, kaasup ku urang asing nu samasakali teu wanoh kana budaya Sunda tapilejar manah tur ngahargaan budaya de-ungeun nu béda ti maranéhna.

Mun urang asing baé kawas nu kagen-dam ku éndahna Cianjuran, piraku gorom-bolan DI/TII nu lolobana urang Sunda teukatoél mamaras rasana nguping JemplangKarang panyeluk Euis Kartini. Mun teunepi ka kitu téh bisa jadi ceulina.….. ceukKang Ajip Rosidi mah. Kacipta geura peu -ting-peuting cuang-cieung di pamubusanjero leuweung luhur gunung bari ngahod-hod jeung kukurubukan. Pangpangna hari-wang deuih réh jauh di lebak lebahmumunggang katingal rébuan durukanjeung obor pager bitis ningker gunung.Dina kaayaan kitu hég ngadéngé panyelukindung dina Jemplang Karang tina radionu disetél lalaunan piraku teu matak juuhcimata hayang buru-buru turun ka lemburrék nyegruk kana lahunan indung.

Da kitu atuh sipat seni mah, hususnamamaos Cianjuran, pangaruhna kana jiwaéstu lemes bari teu karasa deuih kumahaprosésna, terang-terang geus aya akibatnabaé boh nu hadé atawa nu goréng. Mun di-ibaratkeun pakarang mah kawas pedangseukeut nyempring ditilaskeun sakilat kanatangkal cau kawas taya urut-urutna.Tangkal cauna tetep ajeg masing geus sapatogé. Kitu sangkaan kuring ngeunaan dayamamaos Cianjuran.

Saterusna dina mahabuna sasalad krisiskarakter siga ayeuna naha mamaos Cian-juran nu geus bukti gedé pangaruhna kanajiwa bisa diilukeun pikeun ngatik Karakteralias Akhlak? Jawabana: Bisa, ngan teulangsung. Maksud téh kieu.

Pendidikan karakter, pangpangna pi -

keun pribadi-pribadi déwasa, loba rambatkamaléna lantaran silih pangaruhan antaraunsur-unsur lingkungan (kulawarga,masyarakat), poténsi jiwa (niat, cita-cita,kasadaran, pikiran, rasa, sikep), métodeatikan (tuladan, kajian, mawas diri,ibadah), prak-prakan ngalaksanakeun,ajén-inajén kahadéan nu rék diatikkeunjeung unsur-unsur pangrojong séjénna.Kuring mah moal milu medar perkara étamah lantaran lain cabakna. Urang sé -rénkeun baé éta mah ka “urang UPI” Ban-dung. Kuring mah ukur rék milungébréhkeun pamanggih sorangan du-masar pangalaman kungsi milu aubsakeudeung di lingkungan TembangSunda. Kitu gé baréto jaman keur jagjagbelejag. Heureut deuih sawanganana géngan rék ngaguar pangaruh lagu jeungrumpaka Cianjuran kana jiwa.

Dina seni Cianjuran aya prosés psikologinu unik. Pidangan mamaos Cianjuran nunyerepna langsung kana alam rasa tangtubisa ngalemesan rasa, hususna nyubur -keun rasa éndah. Unggulna jalma nu lemesalam rasana diantarana bisa ngaragap hatébatur (émpati), romantis, intuisina ogéleuwih seukeut deuih, dina harti sarérétanogé ujug-ujug nyaho kana niat batur bohnu hadé atawa nu goréng. Ari héngkérnajalma nu alam rasana lemes (teuing) nyaétagampang kasigeung jeung sok nurutkeunteuing perasaan jeung ngumbar kahayangnepi ka gampang kabawa sakaba-kaba.Ahirna…”badan anu katempuhan” ceukguguritan “Éling-éling mangka éling” mah.

Sajaba ti éta rumpaka dina lagu-laguCianjuran mah sering kadanguna téh ukurkalimah-kalimah harfiahna, ari jeronama’na jeung jiwa sajakna mah méh teukarampa lantaran kalindih ku reunceumnareureueus jeung dongkari, éndahna galin-deng, gelik suling jeung paténgtongan ka-capi. Cobi geura dangding-dangding karyaH. Hasan Mustapa nu sakitu jero ma’nanaasa moal karasa mun “dicianjurankeun” dakasilep ku euyeubna dongkari jeungreureueus. Kitu deui guguritan-guguritanDyah Padmini nu genah digalindengkeu-

nana, terus terang kuring mah hamhameusi rum pakana nu sakitu jero teuleuma-neunana bakal karagap mun dicianju-rankeun. Da kudu dihaleuangkeun dinalagu pupuh nu rancag (lain Rarancagan!),komo mun digerendengkeun kawas macasajak mah karék kaguar ajén-inajén pal-sapahna nu nyumput jeroning rumpaka.Enya ti baheula gé atikan budi pekertingaliwatan haleuang mah geus ilahar, upa-mana baé “Éling-éling mangka éling”,“Éling-éling murangkalih” jeung “Utamanajalma kudu réa batur”. Atuh kaayeunakeunkawih kapahlawanan seperti “KarataganPahlawan” (Mang Koko) jeung madahcinta lemah cai “Degung Sunda Mekar” (I.Rosadi) po pulér pisan. Tapi kabéh ogé dinakawih jeung lagu panambah nu teu re-unceum ku reureueus jeung hiasandongkari nepi ka eusina gampang kaharti.Da ceuk jenatna Apung SW ogé dinabukuna “Kuring jeung Tembang Sunda”rumpaka nu payu keur tukang tembangmah nu basajan gampang kahartina. Nudéskriptif romantis atuh légégna mah.

Ku kituna sanajan rumpaka Cianjuranteu saeutik nu ngandung ajén-inajén atikanbudi pekerti, tapi ceuk kuring mah tetepasa kurang éféktif pikeun pendidikankarakter lantaran kasilep ku kaéndahanlagu jeung piriganana. Jabaning nu-mutkeun titénan Apung SW mah kira-kira52% eusi rumpaka Cianjuran…kabirahian!

Kudu tina sumber séjén nyokotna ajén-inajén atikan karakter mah, upamana baétina ayat-ayat Kitab Suci jeung HadisRosul, biografi para inohong, babasan,paribasa jeung semboyan nu ngagam-barkeun ajén-inajén idéal pikeun mekar -keun karakter jeung padoman hirupkumbuh. Contona: “Silih asah, silih asih,silih asuh” (Pemda Jabar); “Shalat, Silat,Siliwangi” (AMS); “Élmu luhung kasaktidiri” (DAMAS); “Ésa hilang, dua terbilang”(Kodam Siliwangi); “Cageur, Ba geur, Pin-ter, Bener”; “Ka cai jadi saleuwi, ka daratjadi salebak”; “Tanjeur di juritan, Jaya dibuana”. Da leubeut ieuh di lingkunganmasyarakat jeung budaya Sunda nu kitu

26 Manglé 2450

Manglé 2450 27

mah. Ku kituna patalina antara seni Cianjuran

jeung kamekaran karakter kira-kiranakieu: Tembang Cianjuran fungsina nga -lemesan rasa, hususna rasa éndah/éstétika. Dina kondisi jiwa kitu mah ajén-inajén étika ti lingkungan masyarakat gam-pang mekarna jadi karakter pribadi. Teubéda ti binih nu dipelak dina tanah léndo.Binihna ajén-inajén atikan, tanah léndonaalam rasa nu lemes. Sabalikna ajén-inajénétika nu mekar jadi karakter bisa ngadalianrasa nu lemes téa tina kahayang sorangannu mangprung taya seubeuhna sarta

ngabénténgan diri tina sakur pangajak teupuguh jeung pangbibita nu matak nyam-balkeun diri.

Wangsul deui ka Euis Kartini nu dihu-dangwayangkeun. Anjeunna téh putrakawalon Mang Uking Sukri, juru kacapikahot Tembang Sunda RRI Bandung. Euisngajodo ka R. Gardéa (nu teu acan lamingantun), putra R. Soegeng. Ari R. Soegengkantos nikah ka Nyi Mas Saodah lajengngadamel pakempelan mamaos “SekarFamilie” di Bandung. Euis Kartini &Gardéa téh sepuhna Gan-gan Garmana,pakar kacapi mamaos nu tos saba man-

canagara. Apung SW dina bukuna “Kuringjeung Tembang Sunda” nyarioskeun EuisKartini kantos dijangjian, duka ku Pemdaduka ku Kodam, badé dipaparin skuter mi-nangka hadiah nyeluk turun “urang gu-nung” ku haleuang Jemplang Karang.Nanging dugi ka ayeuna lebeng teu péntil-péntilna acan. Panyawat “Lupa” rupina tosmahabu ti kapungkur di urang ogé.

(réngsé)

Ciputat, Lebaran Haji 2013.

27

28 Manglé 2450

Mekarkeun Ekonomi Kreatifdi Jawa Barat

Ku Deddy Mizwar

(Wakil Gupernur Jawa Barat)

Ekonomi kreatif, industri kreatif, kreati -vitas, inovasi, jeung sabangsana katom-pernakeun geus jadi “kata-kata kunci”

nu remen kaungkab dina unggal kasempetan.Lian ti jadi wacana haneut di media massa,ekonomi kreatif ge remen kasabit-sabit dinabiantara para pajabat pamarentah. Kitu deuidina dunya akademik, ekonomi kreatif jeungindustri kreatif direndengkeun jeung kawi -rausahaan jadi wangun kaparigelan atawa softskill nu kudu ditumuwuhmekarkeun dina dirimahasiswa.

Sumebar jeung ditarimana gagasan ngeu-naan ekonomi jeung industri kreatif, akibattina kondisi perekonomian global di ahir abadkaduapuluh nu ngalaman krisis panjang, di-mana mekanisme pasar gagal ngawujudkeunstabilitas ekonomi sarta nagara teu wasa nang-gung beban sosial nu diakibatkeun ku krisis,kreativitas individu jeung komunitas ge jadi al-ternatif demi lumangsungna aktivitasekonomi. Hal ieu geus nyirikeun yen sihorengngokolakeun karaharjaan teh teu ngan ukurgumantung ka nagara (pamarentah) atawanamekanisme pasar, tapi bisa oge ku modal sosialnu hirup di masarakat. Kajian nu dilak-sanakeun Departemen Perdagangan RI dinataun 2008 ngung kabkeun yen lahir jeungmekarna ekonomi kreatif di Indonesia ge man-grupakeun respon tina rupa-rupa krisis, di-antarana: (1) relatif rendahna tumuwuhnaekonomi pasca krisis (rata-rata ngan ukur 4,5%per taun); (2) rea keneh nu nganggur (9-10%),luhurna tingkat kamiskinan (16-17%), jeung(4) rendahna daya saing industri di Indonesia.Lian ti pasualan eta, ekonomi kreatif ge dipi-harep bisa ngajawab rupa-rupa tangtangankayaning isu global warming, pamangfaatan“energi yang terbarukan”, deforestasi, jeungpangurangan emisi karbon, sabab arah pa-makeran industri kreatif teh rek nuju kanapola industri “ramah lingkungan” jeung “pen-ciptaan nilai tambah” produk jeung jasa nuasalna tina intelektualitas sumber daya insaniIndonesia, dimana intelektualitas sumber dayainsani teh mangrupa sumber daya “yang ter-barukan”.

Tangtangan nu sakarupa ge keur disang-hareupan ku Jawa Barat, salaku salahsahijiprovinsi panggedena di Indonesia. Ku kituna ,gagasan ngeunaan ekonomi jeung industri kre-atif jadi alternatif nu cukup potensial pikeundilarapkeun di Jawa Barat. Seug komo JawaBarat mah beunghar ku sumber daya nu bisadimekarkeun jadi bagean tina industri kreatif.Keur ngaoptimalkeun pamekaran ekonomikreatif dina raraga nguatan daya saing JawaBarat, paham kana konsep ekonomi kreatif

jadi hal nu utama , alhasil strategi nu efektifjeung efisien keur mekarkeunana bisa diru-muskeun.

Ekonomi KreatifIndustri kreatif nyaeta bagean nu teu bisa

dipisahkeun tina ekonomi kreatif. Industrial-isasi geus nyiptakeun pola kerja, pola produksijeung pola distribusi nu leuwih murah jeungleuwih efisien. Ku kapanggihna teknologi in-fokom saperti internet, email, SMS, Global Sys-tem for Mobile communications (GSM) geusnyiptakeun interkoneksi antar manusa nu nga-jadikeun manusa jadi tambah produktif. Glob-alisasi dina widang media jeung hiburan gegeus ngarobah karakter, gaya hirup jeung peri -laku masarakat jadi leuwih kritis jeung leuwihpeka kana rasa sarta pasar ge jadi beuki legajeung tambah global.

Sisi lianna nu muncul tina fenomena etanyaeta tambah kuatna kompetisi. Ku ayanakondisi saperti kieu pausahaan kapaksa nyiarsolusi sangkan bisa neken waragad samurah-murahna jeung saefisien mungkin. Konsen-trasi industri pindah ti nagara Barat kana gara-nagara berkembang di Asia sabab teumetu nandingan biaya murah di RepublikRakyat Tiongkok (RRT) jeung efisiensi industrinagara Jepang. Nagara-nagara maju kakarasaladar yen dina mangsa kiwari teu bisa ngan-delkeun supremasi dina widang industri deuitapi maranehna kudu leuwih ngandelkeunSDM nu kreatif, nepi ka saterusna dina taun1990-an nya dimimitian era ekonomi baru nungaintensifkeun informasi jeung kreativitas, nupopuler disebut ekonomi kreatif nu diger-akkeun ku sektor industri nu disebut industrikreatif.

Tina pedaran di luhur urang jadi apal yenEkonomi Kreatif sabenerna wujud tina upayanyiar “pembangunan yang berkelanjutan”ngaliwatan kreativitas, nu mana “pembangu-nan berkelanjutan” teh hiji iklim perekono-mian nu “berdaya saing” jeung ngamilikcadangan sumber daya “yang terbarukan”. Cekcohagna mah, ekonomi kreatif teh manisfetasitina sumanget “bertahan hidup” nu kacidapentingna pikeun nagara-nagara maju ogenawar keun kasempetan nu sarua keur negara-negara berkembang. Pesen pangutamana nudita warkeun ekonomi kreatif nyaeta pamang-faatan cadangan sumber daya nu lain saukur“terbarukan”, tapi “tak terbatas”, Nyaeta ide,talenta jeung kreativitas. Tungtutan kanaperekonomian nu leuwih efisien geus nya -babkeun kabutuh kana inovasi ge tambahgede, antukna nya dimekarkeun konsepekonomi kreatif keur ngungkulanana. Eko -

nomi kreatif nyaeta konsep ekonomi nu ngan-dalkeun kreativitas individu dina ngaopti-malkeun daya saing nu aya . Dadasar tinaekonomi kreatif nyaeta elmu pangaweruhjeung teknologi nu ngarojong pangwangunanekonomi jeung nyiptakeun tumuwuhnaekonomi nu hade.

Mekarkeun ekonomi kreatif dina skala masifngalahirkeun industri kreatif. Studi pemetaanindustri kreatif nu geus dilakukeun ku De-partemen Perdagangan Republik Indonesiataun 2007 ngagunakeun definisi industri kre-atif nu unggelna kieu: “Industri yang berasaldari pemanfaatan kreativitas, ketrampilanserta bakat individu untuk menciptakan kese-jahteraan serta lapangan pekerjaan melaluipenciptaan dan pemanfaatan daya kreasi dandaya cipta individu tersebut”. Saterusna, studiieu “memetakan” 14 (opat welas) subsektor numangrupa industri berbasis kreativitas, nyaeta:1. Periklanan: kagiatan kreatif nu aya pakaitna

jeung jasa periklanan (komunikasi sa arahngagunakeun hiji medium), nu ngawengkuproses kreasi, produksi jeung hasil distribusiiklan, umpamana: riset pasar, perencanaankomunikasi iklan, iklan luar ruang, produksimaterial iklan, promosi, kampanyeu relasipublik, tampilan iklan di media cetak (suratkabar, majalah) jeung elektronik (televisi &radio), pamasangan poster jeung gambar,nyebarkeun selebaran, pamflet, edaran, bro-sur jeung reklame sajenis, distribusi jeungdelivery advertising materials atau samples,sarta nyewa kolom keur iklan.

2. Perencanaan biaya konstruksi, konservasiwawangunan warisan, pangawasan kon-struksi boh sacara sagemblengna dina levelmakro (Town planning, urban design, land-scape architecture) nepi ka level mikro (de-tail konstruksi, umpamana: arsitekturtaman, desain interior).

3. Pasar Barang Seni: kagiatan kreatif nu ayapakaitna jeung perdagangan barang-barangasli, unik jeung langka sarta boga ajen es-tetika seni nu luhur ku jalan lelang, galeri,toko, pasar swalayan, jeung internet, umpa-mana: alat musik, percetakan, kerajinan, au-tomobile, film, seni rupa jeung lukisan.

4.Karajinan: kegiatan kreatif nu aya pakaitnajeung kreasi, produksi jeung distribusi pro-duk nu ti mimiti desain awal nepi ka prosesnganggeuskeun produkna dijieun ku tanagapangrajin, antara lain mangrupa barangkarajinan nu dijieuna tina: batu permata,serat alam atawana buatan, kulit, hoe, awi,kai, logam (emas, perak, tambaga, paru -nggu, beusi), kaca, porselin, kaen, marmer,taneuh liat, jeung kapur. Produk karajinan

Manglé 2450 29

umumna ngan diproduksi dina jumlah nurelatif kleutik (lain produksi massal).

5.Desain: kagiatan kreatif nu aya pakaitnajeung kreasi desain grafis, desain interior,desain produk, desain industri, konsultasiidentitas pausahaan jeung jasa riset pa-masaran sarta produksi kemasan jeung jasapenge pakan.

6.Fesyen: kegiatan nu aya pakaitna jeungkreasi desain pakean, desain alas suku,jeung desain aksesoris mode lianna, pro-duksi pakean mode jeung aksesorisna, kon-sultansi lini produk fesyen, sarta distribusiproduk fesyen.

7.Video, Film & Fotografi: kagiatan kreatif nuaya pakaitna jeung kreasi produksi video,film, jeung jasa fotografi, sarta distribusirekaman video jeung film. Kaasup panulisanskrip, dubbing film, sinematografi, sinetron,jeung eksibisi film.

8.Permainan Interaktif: kagiatan kreatif nu ayapakaitna jeung kreasi, produksi, jeung dis-tribusi permainan komputer jeung video nusifatna hiburan, kaparigelan/ketangkasan,jeung edukasi. Subsektor kaulinan interaktiflain didominasi ngan ukur ku hiburan tapioge jadi “alat bantu pembelajaran” atawaedukasi.

9.Musik: kagiatan kreatif nu aya pakaitnajeung kreasi/komposisi, pintonan/pertun-jukan, reproduksi, jeung distribusi tina reka-man suara.

10.Seni Pertunjukan: kagiatan kreatif nu ayapakaitna jeung usaha mekarkeun konten,produksi pagelaran (umpamana: pagelaranbalet, ibing tradisional, tarian kontemporer,drama, musik tradisional, musik teater,opera, kaasup tur musik etnik), desain jeungpembuatan kostum pertunjukan, tata pang-gung, jeung tata pencahayaan.

11.Penerbitan & Percetakan: kagiatan kreatifnu aya pakaitna jeung panulisan kontenjeung penerbitan buku, jurnal, koran, ma-jalah, tabloid, jeung konten digital sarta ka-giatan kantor berita jeung wartawan/pencari berita. Subsektor ieu ge ngawengkupenerbitan perangko, materai, uang kertas,blanko cek, giro, surat andil, obligasi suratsaham, surat berharga lianna, passport, tiketpesawat terbang, jeung terbitan hususlianna. Oge ngawengku penerbitan foto-foto, grafir (engraving) jeung kartu pos, for-mulir, poster, reproduksi, percetakanlu kisan, jeung barang cetakan lianna, kaa-sup rekaman mikro film.

12.Layanan Komputer & Piranti Lunak: ka-giatan kreatif nu aya pakaitna jeungmekarkeun teknologi informasi kaasup jasalayanan komputer, pengolahan data,pengembangan database, pengembanganpiranti lunak, integrasi sistem, desain jeunganalisis sistem, desain arsitektur pirantilunak, desain prasarana piranti lunak jeungpiranti keras, sarta desain portal kaasupparawatanna.

13.Televisi dan Radio: kegiatan kreatif nu ayapakaitna jeung usaha kreasi, produksi jeungpintonan/pengemasan acara televisi (sapertigames, kuis, reality show, infotainment,jeung sajabana), penyiaran, jeung transmisikonten acara televisi jeung radio, kaasup ka-giatan station relay (pemancar kembali)siaran radio jeung televisi.

14.Riset & Pengembangan: kagiatan kreatif nuaya pakaitna jeung usaha inovatif nunawarkeun penemuan elmu jeung teknologikatut penerapan elmu jeung pangaweruhkeur ngahadean produk jeung kreasi produk

anyar, proses anyar, material anyar, alatanyar, metode anyar, jeung teknologi anyaranu bisa nohonan kabutuh pasar; kaasupnu aya pakaitna jeung humaniora sapertipanalungtikan jeung mekarkeun bahasa,sastra, jeung seni; sarta jasa konsultansi bis-nis jeung manajemen.

Kaopat subsektor ieu nyampak sakabehnadi Jawa Barat jeung jadi sumber ekonomi kre-atif nu potensial pikeun dimekarkeun.

Potensi Ekonomi Kreatif di JawaBarat

Hasil studi nu dilaksanakeun Tim InisiasiEkonomi Kreatif Provinsi Jawa Barat dina taun2011 nembongkeun yen potensi kamekaranekonomi kreatif di 5 (lima) wewengkon pang-wangunan Jawa Barat kacida luhurna. Limawewengkon eta ngawengku di Cekungan Ban-dung, Priangan Timur, wewengkon Cirebon-Indramayu-Majalengka-Kuningan, Purwa karta-Sukabumi-Bekasi, jeung Bogor-Depok-Cianjur-Sukabumi. Hasil studi nembongkeunaya 7 (tujuh) kolompok industri kreatif di JawaBarat, nyaeta widang periklanan, seni jeungpasar antik, karajinan, desain, seni pertun-jukan, seni rupa, jeung lianna kaasup kuliner.

Industri kreatif di Jawa Barat boga kaung-gulan, nyaeta pamasaran produkna teu ngansaukur di pasar lokal tapi ngambah pasar na-sional jeung internasional. Tina hasil studi eta,kaidentifikasi pamasaranna ngahontal KotaBandung (30%), Jawa Barat (29%), na-sional(21%), ngaliwatan jaringan internet(14%), sesana pasar internasional. Kaunggulanliana nyaeta sumber pasokan bahan bakujeung material lokal (38%), Jawa Barat (40%),nasional (16%), ngaliwatan jaringan internet(5%), jeung sesana ti pemasok internasional.Sejumlah 95% pelaku usaha optimis bisangalakukeun perluasan bisnis dina sataun kahareup.

Sok sanajan kitu, mekarkeun industri kreatifdi Jawa Barat ge loba barebedanana, utamananu pakaitna jeung status hukum badan usa-hana jeung jaminan “atas kekayaan intelek-tual(HAKI)” sabab masih aya 81% hasilproduksina nu tacan didaftarkeun merekna.Dina sisi permodalan, profil pelaku usaha in-dustri kreatif Jawa Barat kalolobaanna mer-lukeun Rp 20-40 juta modal usaha, nu asalsumber modalna tina cengcelengan/tabunganpribadi atawa “pinjaman keluarga”. Peran per-bankan tacan loba dimangfaatkeun ku palakuusaha, paling ngan ku pelaku usaha nu mer-lukeun modal gede, di saluhureun Rp 40 juta.Ditilik tina daya serap tenaga kerja, ayanausaha industri kreatif bisa nandean kira-kira 1nepi ka 5 urang tanaga kerja. “Daya serap” nurelatif sarwa kawatesanan ieu disababkeun ku”besaran usaha” nu kaasup kana kategori“usaha kecil” jeung “menengah”.

Hasil studi di luhur mere harepan gede keurkamekaran potensi ekonomi kreatif di JawaBarat, sakaligus nunjukkeun yen aya keneh‘pekerjaan rumah’ nu kudu direngsekeun, kaa-sup ku Pamarentah Provinsi Jawa Barat.Mekarna ekonomi kreatif kacida merlukeunrojongan regulasi jeung kemitraan lintas-stakeholders. Dua hal ieu jadi prioritas nu kudugeuwat-geuwat diurus ku Pamarentah ProvinsiJawa Barat.

Strategi Mekarkeun Ekonomi Kreatifdi Jawa Barat

Ekonomi kreatif dina prinsipna nyaetamekarkeun sumber daya manusa nu bermutu

tinggi jeung mampuh boga peran optimal dinapangwangunan. Dina ekonomi kreatif, sumberdaya manusa jeung teknologi mangrupa duafaktor utama nu kudu dimangfaatkeun samak-simalna dina nyiptakeun “produktivitas tinggi”salaku prasarat pikeun tumuwuhna ekonomi.Tina sisi sumber daya manusa, konsepekonomi kreatif nyaeta nyiptakeun tanagakerja nu ngamilik kaparigelan jeung elmu pan-gaweruh nu hade, alhasil dinas proses pa-gaweanna bisa mere hasil nu optimal. Sumberdaya manusa nu kadidik ku kaparigelan nuhade, digawena bisa leuwih inovatif. Tina sisiteknologi, mekarna teknologi nu tambah majumangrupa efek tina ngaronjatna kualitas pen-didikan sacara global, geus mampu nyiptakeunnilai tambah nu kacida gedena dina prosesproduksi, nepi ka bisa ngaronjatkeun dayasaing produk.

Industri kreatif dina definisi modern geusleuwih ti heula dimekarkeun ku dunia Barat.Alhasil individu-individu asing geus miheulaanfaham kana cara-cara (knowhow) ngawangunindustri kreatif di mana wae ayana, katambahku waragad keur ngadegkeunana nu kacidamurahna. Sangkan individu lokal bisa “ber-saing” jeung “pemain asing”, ku kituna pagawekreatif di Jawa Barat kudu disiapkeun kalayandaria jeung kudu geuwat-geuwat nyieun lem-baga-lembaga pelatihan boh formal, non-for-mal atawana organik nu mampuh ngalatihkamampuan manajerial, olah kreativitas, ba-hasa asing, pamasaran jeung negosiasi bisnis.

Tina sisi jenis industri kreatif nudimekarkeun di Jawa Barat, keur neruskeunhanca hasil studi nu geus dipigawe ku Tim In-isiasi Ekonomi Kreatif, Pamarentah Provinsibakal netepkeun: (1) jenis-jenis industri kreatifnu jadi Kompetensi Industri Inti Daerah(KIID) sangkan menang fasilitasi tiPamerentah Puseur; (2) jenis industri unggu-lan daerah nu berbasis kompetensi inti dinaskala daerah jeung/atawa provinsi nu sum-berna tina kaunggulan kompetitif jeung kom-paratif; (3) peta jalan mekarkeun KIID; jeung(4) jenis insentif & fasilitasi pangdorongmekarkeun KIID.

Lian ti upaya-upaya di luhur, PamarentahProvinsi ge baris ngaraketkeun jejaring gawebareng jeung sakabeh pihak nu kalibet kana“pengembangan industri kreatif”, sapertiPamerentah Puseur, perbankan, paguronluhur, jeung masarakat. Gawe reujeung ieu laintina sisi permodalan wungkul, tapi oge jeungutamana mah keur ngawangun sumber-sum-ber daya manusa nu berkualitas jeung inovatifsarta kreatif.

Tina sisi regulasi, Pamarentah Provinsi geboga komitmen keur nyiptakeun iklim usahanu kondusif pikeun kamekaran industri kre-atif, diantarana ngaliwatan fasilitasi pandaf-taran merek dagang, perolehan izin usaha,jeung insentif pajak.

Keur ngajamin implementasi tina etastrategi , ku sabab kacida pentingna, Pa-marentah Provinsi ge bakal gancang-gancangngarumuskeun rencana aksi “pengembanganekonomi kreatif bagi peningkatan daya saingJawa Barat”.

Rencana aksi ieu bakal jadi dokumen resminu ngamuat peta jalan jeung strategi prioritaskeur ngaronjatkeun pertumbuhan ekonomikreatif di Jawa Barat. Lian ti kitu, rencana aksige jadi dasar hukum nu bakal jadi raran-cang/’mengkerangkai sinergitas programpangwangunan di Jawa Barat.

***

30 Manglé 2450

murubutkeun cimata, kelencitéh eureun.

“Tah, ka jero sumur éta adiuing téh digusurna,” ceuk ke-lenci. Maung téh noong kajero sumur. Terus ngageremnémbongkeun amarahnabasa katempo ku manéhnaaya maung di jero sumur.Maung di jero sumur téh nga-bales ngagerem, da puguhapan kalangkangna. Si maungbeuki ambek, komo basamanéhna nempo kelenci teuwalakaya siga dikerekeb kumaung di jero sumur. Puguhmah kalangkang kelenci anuogé milu noong. Henteumikir deui da puguh awakjeung jiwana kalimpudanamarah, maung téh ngage -rem beuki kerep némbong -kon huntu jeung sihungna.Lantaran maung di jerosumur ogé ngagerem siga anuambek, ngan gajleng wémaung anu pinuh ku amarahtéh ngarontok.

Sasatoan séjénna anu nga -rintip kalakuan kelenci, ka -laluar tina rungkun-rungkunjeung tatangkalan tempatngintipna. Maranéhna surak,terus ngarangkulan ka ke-lenci. Gajah tanggah ka kaula.Pokna téh, “Tah kitu dongéngmaung anu dikawasa ku ama-rah jeung napsu téh.

Da puguh maung téh pam-ingpin di ieu leuweung, ama-rahna téh jadi mamala pikeunsato séjénna. Sanggeusmaung ngarontok amarahna,kasalahanana, napsuna,maung téh jadi sato anu wi-jaksana, jadi pamingpin anudipikacinta.”

Sakabéh sato dina eun -teung cai sumur téh saterusnamah ngaleungit. Simpé nga -rayap kana dingding sumur.Terus kana jujukutan. Kanatatangkalan. Tungtungnasumélékét kana urat jeungpori-pori anu aya dina awakkaula. Simpé sumélékét kanahaté pangjerona. *1

**Ti jero eunteung cai sumur

mucunghul titik cahya. Titikcahya téh ngambang, sagedé

siki pedes. Terus ngagedéanjadi sagedé bal pingpong,sagedé bal ténes, sagedé balsépak, sagedé baskom, sagedéliang sumur. Cahya téhmudal, siga anu ngarayapngaliwatan dingding sumur,terus mancawura areunteupdina dangdaunan, dahan-dahan jeung régang, katut ju-jukutan. Sakuriling tempatkaramat téh disipuh kucahya. Ti jero sumur, barengjeung cahya anu terus mudal,kaluar jalma-jalma anu aya,ku éndah éta pameunteuna.Maranéhna ngibing ngageu-ing-geuing, ngahariring ngin-getkeun éling. Terus mara néhna gugupay. Saha atuhmaranéhna téh?

“Jleng atuh, Jalu... Hayuurang teuteuleuman dina ieusumur. Jleng atuh... sangkanhidep ngarasakeun éndahnahirup,” pokna téh rampak, so-rana nyulusup kana kalbu.Oh, meureun maranéhna téhanu ngalalana kapincutsasakala ieu sumur bari terusbrus teuleum di jerona.

Da geuning haté kaula ogéhenteu kuat hayang ngajleng,kokojayan, teuteuleuman,dina cai sumur anu ngage -nyas matak seger. Haté téh liranu manggihan tempatnapikeun bumetah. Tempat anumangtaun-taun, boa saumurhirup kaula, leungit tina im-plengan.

“Jleng atuh, Jalu... sangkanhidep ngarasakeun éndahnahirup,” ceuk maranéhna deui.

Kaula mundur dua léng -kah, najan haté mah kumejot,sajleng-jlengeun ka jero su -mur. Kaula gogodeg. Apantugas kaula mah lain nga -lalana nunutur raratan sumurkaramat, terus kokojayan,teuteuleuman, nyenangkandiri di jerona. Enya ogé ieuhaté mimiti surti naha salilaieu utusan anu ngalalananutur-nutur raratan sumurkaramat ieu henteu mulangdeui ka alam nyata.

Kaula mah meureun acanwaktuna cara maranéhna.Acan waktuna pikeun koko-

jayan, teuteuleuman,nyenang keun diri dina ieusumur eunteung. Kaulamasih boga tugas pikeunnepikeun kumaha éndahnadongéng maung anu ngaron-tok nekuk amarahna, kasala-hanana, napsuna, dina ieusumur karamat, ka singsahawaé anu sadar diri di alamnyata.

**“Dongéng Maung jeung

Sumur Karamat anu kawen-tar mangabad-abad, ditu -liskeun dina kitab-kitab,diajarkeun para kasepuhan dikabuyutan, ngan sakitu?”

“Henteu lepat, mung sakituanu kapendak.”

“Dongéng sajatining hiruptéh saukur dongéng budakborok hulu?”

“Timbalan, Pangersa.Sapertos kitu ayana, bawiraoséta téh sanés dongéng budakborok hulu, tapi dongéngmanusa mangsa déwasa.”

“Ponggawa... cangkalak étajelema gedé wadul téh! Em-barkeun ka hambarahayatsakabéh, pabeubeurangengké bakal aya anu dihukumgantung, nyatana jelema anugeus ngawadul ngadongéng -keun sasakala sajatininghirup anu mangabad-abad kuurang dihormat!”

Raja barangasan téhsosoak. Terus ngagejlig ning-galkeun riungan.

Pabeubeurangna kaula di-giring ka alun-alun. Sukudibeungbeuran atom, leu -ngeun ditali dadung. Anulalajo jumlahna ngaréwu. Ayaanu naék kana tatangkalanatawa témbok, anu dipunggu,anu ronghok di balkon loténgsisi jalan. Basa léngkah mimi -ti nété jalan, mangratus atawabua ngaréwu, pamalédog dia -lungkeun. Tomat buruk,endog buruk, cai kolombéran,tai hayam, bangké beurit,jeung duka naon deui. Atuhsakujur awak kaulu rancucutku babauan. Tapi haté téhbet henteu maliré anu karari -tu. Da puguh haté ti tadi ogébungangang. Êndah ningalicahya anu melengkung lir ka-tumbiri. Cahya anu jadi jalanpikeun jalma-jalam anu ngi -

bing jeung ngahariring.Cahya anu jadi jalan karnavalmaung jeung balad-baladna.Maranéhna gugupay, nga-jakan gancang-gancang kaulangajleng ngagabung jeungmaranéhna.

“Jleng atuh, Jalu...sangkan hidep ngarasakeunéndahna hirup.”

Euleuh, geuning liang taligantungan téh ayeuna mahsiga liang sumur anu mu-dalkeun cahya.

** “Saenyana judul

dongéngna naon? Nahasasakala Maung jeung SumurKaramat, atawa KarajaanAnu Paburantak?” ceukbudak dugul anu pogotngadéngékeun dongéng.

Tukang dongéng téh imut.Pokna téh, “Judulna mah me-unang naon waé. Ngan sang -geus hukuman gantung téadilaksanakeun, mangabad-abad henteu aya anu sanggupnyurahan sasakala sajatininghirup anu dipusti-pusti téa.Karajaan anu ngaramatkeunéta sasakala, angger paburan-tak. Usum hujan banjir dimana-mana. Usum halodokalaparan da tatangkalangararing. Walungan, sawah,situ, jadi tempat pamiceunanlimbah jeung runtah. Gu-nung-gunung bulistir. Abdinagara, eksekutif, jeung legis-latif, korupsi jeung kolusibébéakan. Unggal proyek diinstansina dipotong nepi ka50%. Bangsat kai di gunung-gunung, bangsat hasil tam-bang, bangsat kakayaan laut,diarantep da puguh nyogok.Hamba rahayatna loba anujadi babu di mancanagara,atawa koréh-koréh cok ditempat runtah. Rajana, tahrajana....” ***

Tanjungsari, 2013

Catatan:*1. Dongéng maung anu

ngarontok amarahna,kasalahanana, dicutattina kisah Jalaludin Rumianu ditulis deui ku AbdulRahman Azzam dina bukuUntaian Kisah Menawandari Matsnawi Rumi (TheKingdom of Joy).

Sambungan ti kaca 23

Ahsanul Akmal Syahuri Adi-adi, sobat urang anu resep dipoto ieu téh nami lengkepna AhsanulAkmal Syahuri. Putra kahiji Bapa Toto Sugianto sareng Ibu Mia Rach-malia ieu téh dibabarkeun di Kota Dépok, kaping 22 Agustus 2010.Bumina di Taman Sari Puri Bali, Sawangan, Kota Dépok. Dina rubrik

béntang Sulintang édisi ieu, Shanu ogé ngadongéngkeun préstasinadina widang poto anu kawilang euyeub tur pikareueuseun.***

Nagara Tegalan keurngarandapan usumhalodo panjang.Tangtu waé weritpisan ku dahareun

sarta walurat ku cai. Kusabab kitututuwuhan loba nu paraéh alatankagaringan. Wahangan-wahang -an gararing, ngalolétrak tayacaian.

Isuk-isuk kénéh, Kaldé geusnyampeur Mencek sobat dalitna,rék diajakan néangan dahareun.Kasampak Mencek téh keurpupuringisan kawas nu nahankanyeri bari nyekelan beuteung -na. Ku Kaldé ditanya:

“Kunaon, Lur, nyeri beuteung?”pokna. Mencek teu némbalan.Manéhna ukur gigideug.

“Ari geus, nya kunaon atuh?Lapa?” Kaldé nanya deui. Mencekunggeuk ayeun mah, ngae -

nyakeun.“Sarua, Lur, kuring ogé lapar!”

kituna téh Kaldé bari depa gi-gireun Mencek.

“Ti kamari can manggih da-hareun nu ngeunah. Kakarékkararaban ku dangdaunan nuparéot! Kitu ogé maksakeuntamba ulah lapar teuing,” poknadeui.

“Tapi, kuring apal di béh kidulaya kebon samangka bogana Si PaTani, ngan tempatna rada jauh tidieu. Sok sanajan keur usumhalodo, éta kebon samangka téhsubur pisan. Kusabab Si Pa Tani -na rajin, unggal poé kebonsamangkana sok dicéboran ku caitina sumur. Basa mimiti kuringnempo mah sababaraha minggunu kaliwat, buah samangkana téhngarora kénéh, tapi jigana ayeunamah geus arasak!” ceuk Kaldé

méré béja pikabungaheun.Ngadéngé kitu téh tangtu baéMencek curinghak. Jungmanéhna cengkat, tuluy nguliat.Paromanna marahmay.

“Hayu atuh Dé, urang téangayeuna?” pokna sumanget naker.

“Enya, hayu!” témbal Kaldé barisarua hudang. Tuluy nangtung.

Geus kitu mah Kaldé katutMencek téh arindit ngajugjug kabeulah kidul, ngadon sasaling -keran dina handapeun tatang -kalan nu rada iuh, lantaran poégeus mimiti karasa panas.Leumpangna ngalalénghoy.

Sanggeus sawatara lila, kirawanci manceran, maranéhnakakara narepi ka nu dijugjug.Kasampak enya baé buahsamangka di kebon Pa Tani téhgeus katempo karolot. Sawaréhnageus arasak. Ngan hanjakal Kaldé

Manglé 245032

Carpon Manglé Alit

Cilaka ku Polah SoranganKu Téh Suhartini

33

katut Mencek téh teu barisaeunasup ka kebon, ku sabab kebonnadipager sarta ditungguan ku Si PaTanina. Ari masalah dipager mahéta gé teu matak jadi sual, kusabab maranéhna bakal bisangaluncatanna. Ngan tina sualngabongohan Pa Tani anu nung-guanana, maranéhanana éstuningteu saranggupeun, ku sabab gedérésikona lamun katohyan atawakanyahoan, pasti bakal dirogahalaatawa diteunggeulan ku Si PaTani. Kaldé jeung Mencek ukurbisa bati kumétap nempo buahsamangka nu arasak di jero kebontéh!

“Urang engké peuting wé ngalasamangkana, sabab ari ayeunamah moal aman! Ari engké peut-ing mah tangtu Si Pa Tani téhbakal balik ka saungna, bakalsaré, moal enya nunungguan waékebon!” Kaldé méré saran.Mencek unggeuk nyatujuan. Geuskitu mah maranéhna arasup deuika jero leuweung, rék ngadagoanpeuting. Kapaksa wé poé éta mahmaranéhna ngadaharan dang-daunan nu geus paréot jeung radagararing, pikeun ngaganjel beu -teung tamba ulah lapar teuing.

Peutingna maranéhna arinditdeui muru ka kebon Si pa Tani.Kabeneran caang bulan, najanukur sapasi ogé. Kaldé jeungMencek keketeyepan ngadeukeu-tan pager kebon, tuluy lunga-lengo niténan kaayaan di jerokebon, bisi Si Pa Tanina ayakénéh. Tétéla geus euweuhsasaha, tayohna baé Si Pa Tanitéh geus balik ka saungna, boageus saré tibra.Kalayan reren-cepan tur ati-ati, Kaldé téhngaluncatan pager kebon ditu-turkeun ku Mencek. Sanggeus ayadi jero kebon sarta ngarasa aman,maranéhna tuluy ngaralaansamangka nu arasak, tuluy di-dalahar sawaregna.Eureuleu....eureuleu...., Kaldéjeung Mencek téh tareurab.

“Aya ku senang pisan ieu téh,beuteung ayeuna mah geusseubeuh. Kaayaan alam manisakieu éndahna, dicaangan ku ca-haya bulan sanajan ukur bulansapasi. Mending ayeuna mahurang pésta yu, Cek, urang sukabungah geura! Urang hiburan,urang nyanyi babarengan!” ceukKaldé ujug-ujug ngajakan kitu kaMencek.

“Ih......ulah teuing atuh Dé, ba-haya! Matak picilakaeun! Soalnalamun urang ribut atawa berisik,pasti bakal kanyahoan ku Si PaTani. Tangtu urang téh bakaldirogahala!” Mencek ngingetan.

“Ah...borangan énté mah, moaenya teuing bakal kadieu Si PaTanina ogé, da pastina gé keurtibra saré! Da pasti capéeun, tasbaranggawé sapopoé!” témbalKaldé.

“Pokona mah masing ati-ati,Dé, sabab Si Pa Tani téh bakal hu-dang lamun kagandéngan ku soraurang mah!” Mencek anggerngélingan.

“Ah...pastina gé énté mah sirik,Cek! Ku sabab énté mah teu bogasora alus kawas kuring! Lamunnyanyi téh sora énté mah goréng!Pokona kuring mah rék nyanyi,arék suka bungah, ku sabab ku -ring manggih dahareun ngeunah,didahar saseubeuhna!” Kaldé jiganu teu narima diélingan kuMencek téh, kalah ka malik teusuka. Nyaritana semu nu ambek.

“Nya, terserah di dinya atuh! Ariteu beunang diélingan mah!”Mencek éléh déét. Geus kitu mahKaldé téh ngamimitian nyanyi,mimitina lalaunan, beuki lila so-rana beuki tarik, bari jeungjingkrak ajrag-ajragan.

“Hiiiiiiik.....! Hooooook......!Hoéééééék....! Hoééééék...!” Kaldétuluy baé nyanyi. Ari Mencek mahngadedempés deukeut pager disisi kebon. Maksudna lamun ayananaon ngarah babari kabur!Ngadéngé sora anu ribut di ke-

bonna, Si Pa Tani téh nyaring,tuluy hudang, sabab ka-gareuwahkeun.

“Pasti aya nu asup ka kebon ieumah!” ceuk Si Pa Tani bari kaluarti saungna rék nyampeurkeundatangna sora, bari jeung teupoho mawa pepentung.

Barang ningali di kebonna ayaKaldé keur disada bari ajrag-ajra-gan, luluncatan ngagaley pelakansamangka, Si Pa Tani teu anta-parah deui, ngan...habek!habek!....neunggeulan Kaldé kupepentung. Tangtu baé Kaldé téhteu bisa ngahindar, ku sababmanéhna teu sadar aya bahayangancam, da puguh keur jongjonnyanyi téa. Ari Mencek mahharita kénéh luncat kana pager,tuluy kabur ka leuweung.Manéhna teu sempet ngabéjaanheula datangna pibahayaeun kaKaldé.Pa Tani tuluy baé malikpukneunggeulan Kaldé nepi ka babakbelur. Kaldé boga akal, manéhnaapi-api paéh, sangkan teu tuluyditeunggeulan ku Pa Tani.

“Modar siah, ayeuna mah, anuwani-wani maling jeung ngaruk-sak samangka aing téh!” ceuk SiPa Tani bari ngaléos ninggalkeunKaldé nu katempona geus ngaba-batang. Sanggeus Si Pa Tani eu-weuh, Kaldé ogé hudang. Tuluykaluar ti kebon ngaluncatanpager. Geus kitu manéhna asupka leuweung, leumpangna ing -kud-ingkudan. Awakna karasanyareri satulang sandi.Isukna,Kaldé panggih jeung Mencek.

“Enya euy...rumasa salah! Teunurut kana omongan énté. Jadiwé kuring cilaka!” ceuk Kaldé baripupuringisan, nahan kanyeri disakujur awakna. Mencek teunémbalan. Manéhna tulut man-tuan mangubarankeun tatu dinaawak Kaldé.***

(Téh Suhartini ti PAUD Al-Hidayah Kp. Cisarua, Ds.

Néglasari, Cisompét Garut44174)

Manglé 2450 33

34 Manglé 2450

Adi-adi, sobat urang anu ayeunamapaésan rubrik Béntang Sulin-tang téh nami lengkepna Ahsanul

Akmal Syahuri. Putra kahiji Bapa TotoSugianto sareng Ibu Mia Rachmalia ieutéh dibabarkeun di Kota Dépok, kaping22 Agustus 2010.

Shanu, kitu nénéhna, bumina diTaman Sari Puri Bali, Sawangan, KotaDépok. Sanajan alit kénéh, Shanu seringmilu lomba-lomba poto. Tina kurangleuwih 60 lomba poto, boh dipoto ny-orangan boh lomba poto kulawarga, ayasaba baraha préstasi anu geus bisa ka-hontal. Shanu kungsi nyangking Juara 1Lomba Poto anu jejerna “Ceria Anak In-donésia” (Crown Photo Contest), Juara 1“Super Kréatif Family, Foto denganAyahku (Silver Photo Contest), Juara 1“Aku Sayang Ayah” (Phy Photo Contest),“My Sleeping Beauty” (Lorrdy EO).Salian ti jadi juara kahiji, Shanu kungsinyangking saba baraha Juara 2, di an-tarana: Model Cilik 2012 (Akira SmartII), Anak Kebanggaan Indonesia 2012(Akira Smart II), Mainan Favoritku (StarPhoto Contest), My Ekspresi (BebecutePhoto Contest), Aku dan Kakekku(Rumah Teddy Bear Photo Contest), ILove Indonesia (Mango Photo Contest).

Préstasi Shanu kawilang euyeub, buk-tina copelna jadi Juara 3 oge kungsisababaraha kali kacangking, di antarana:I Love Batik (Konfoy Photo Contest),Tidur Lelapku (Little Starkids PhotoContest), Anak Super Kreatif (Sylver

Photo Contest), My Favorit Toys (JuaraCilik EO), I Love Angry Birds (SylverPhoto Contest).

Salian ti juara 1 jeung 2, Shanu ogékungsi nyangking Juara Favorit, di an-tarana: Putraku Ganteng (Nesha PhotoContest, Juara Favorit Juri), Favorit 1Best Ekspresi (Miu Jasmine), My Style(Ceria Photo Contest), Me with Mom andDad (Minie Photo Contest), Narsis WithAyah (Minie Photo Contest), Model Cilik2013 (Juara Favorit 2, Miu Jasmine).

Sababaraha Juara Umum, di antaranabaé: Anak Ceria (Miu Jasmine II), MyFamily (Smile Kiddie, Juara Umum 3),My Sweet Home (Rumah Teddy Bear),Gayaku (Real Art (Juara Umum Teri -mut).

Juara-juara di luar juara inti: JuaraPaling Lucu (Bee Star EO), Juara BestEkspresi (Najwaa Photo Contest), JuaraTerkompak "Aku Sayang Ayah" (CintaOrganizer), Juara Best Costum (Real ArtPhoto Contest), Juara Cool Dad n Baby(Be_Start ArtInstan I).***

(Téh Nila/Potrét: Istiméwa)

Béntang Sulintang

Ahsanul Akmal Syahuri:Balita 60 Kali Lomba

Bulan anyar tanggal 1Taunna taun Hijriyah

Bulan naon cing? *** (Riswanto - Bandung)

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilap ditém-pélan kupon UTY no. 1243. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya No. 19 Bandung

40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.Jawaban UTY No. 1240

Nu leres : Nu kénging hadiahna:

1. Syamsul RahmanJl. Panyingkiran No.52Kota Kalér - Sumedang

2. Helenna FriskaJl. Kancra II No. 8

Kota Bandung

3. Dinda Andita PutriGg. Haji Soléh

Cibaduyut - Bandung

KUPON UTY No. 1243

Manglé 2450 35

Ngaran Anak Sasatoan jeung Ngaran KekembanganAdi-adi, jaman Tétéh sakola di SD, dina pangajaran basa Sunda téh sok diajarkeun ngaran rupa-

rupa “anak-anakan” jeung ngaran “kekembangan”. Dina basa Sunda, anak sasatoan boga ngaran séwang-séwangan. Upamana baé, anak ucing, bisa

waé disebut “anak ucing”, tapi dina basa Sunda mah aya ngaran “hususna”. Kitu deui ngaran kem-bang tina hiji tangkal. Upamana baé, kembang céngék, mémang bisa waé disebut kembangcéngék. Tapi dina basa Sunda mah aya deuih ngaran “hususna”.

Tah, cing pék, lamun hidep can kungsi diajar di sakola, Tétéh méré pancén ka hidep pikeunnanyakeun ka Ibu/Bapa Guru basa Sunda hidep di sakola, atawa ka Ibu/Rama hidep di bumi,ngeunaan rupa-rupa ngaran anak sato jeung kekembangan di handap ieu!

I. Sebutkeun ngaran anak sasatoan di handap ieu!

1. Anak ucing disebut…………………………………………………….2. Anak anjing disebut……………………………………………………3. Anak monyét disebut………………………………………………….4. Anak kuda disebut………………………………………………………5. Anak sapi disebut………………………………………………………..6. Anak hayam disebut…………………………………………………….7. Anak domba disebut…………………………………………………….8. Anak gajah disebut……………………………………………………….9. Anak bangkong disebut…………………………………………………10. Anak munding disebut…………………………………………………..

II. Sebutkeun ngaran kekembangan di handap ieu!1. Kembang céngék disebut…………………………………………….2. Kembang paré disebut…………………………………………………3. Kembang jambé disebut………………………………………………4. Kembang sampeu disebut……………………………………………5. Kembang boléd disebut………………………………………………..6. Kembang kalapa disebut……………………………………………….7. Kembang laja disebut……………………………………………………8. Kembang kadu disebut………………………………………………….9. Kembang waluh disebut………………………………………………..10. Kembang tiwu disebut…………………………………………………..

*****

Ku Nila Karyani, S.Pd

Kelas V

36 Manglé 2450

Pakumpulan Longsér Bandoeng-mooi geus ngawanohkeun ibingSunda ka balaréa ngaliwatan

pagelaran longsérna. Pagelaran kolab-orasi longsér jeung tari nu dijudulan“Béntang Panggung” digelar di Ge -dong New Majestic Jl.Braga No.1 KotaBandung, sawatara waktu nu kaliwat.Éta pintonan hasil gawé antaraYayasan Mandasalam, Gedong NewMajestic, jeung Bandoengmooi téhmaksud jeung tujuanana taya lianpikeun ngarumat seni tradisi nu hirupdi Jawa Barat sangkan terus tu-muwuhmekar, teu tumpur kari caturatawa diiwat ku nagara batur. Éta halditétélakeun ku Hermana HMT S.Sen,pupuhu jeung sutradara Longsér Ban-doengmooi.

Ibing Sunda kayaning tari topéng,tari gawil/tayub, tari gaplék, jaipon-gan, ibing penca silat, jeung tari ram-pak kendang ku Hermana diadu maniskeun jeung jejer carita longsérnu saperti biasana pinuh ku kritiksosial nyorot kajadian-kajadaian ak-tual. Alhasil, pagelaran longsér téh jaditambah seger jeung hégar, sabab nulalajo teu ngan saukur nyaksian tariantapi bari jeung dihibur ku bojégan-bo-jégan parodi para actor. Popon,Dikdik, Kodrat, Wawan, jeung Mr.Jun /Junjun harita mawakeun jejercarita “Béntang Panggung” nu nyorotpolitik dinasty Ratu Atut, GupernurBanten, nu diparodikeun jadi BundaRatu Hitut (diperankeun ku Popon).Caritana, Bunda Ratu Hitut ngarasabingung alatan anak nunggal nu bakaljadi wawarisna teu daékeun kawinbaé. Sabada diolo, daékeun tapi ayasaratana, nyaéta pamajikanana kudupinter ngibing/béntang panggung.Laju diayakeun saémbara nu dijurianku aktor Wawan, Dikdik, jeung Junjunkalawan dieuyeuban ku bojégan. Nulalajo kuat ka arakey-akeyan, kaasupKabid Kasenian Kota Bandung, CepDayat jeung Disparbud Cimahi nu

harita milu lalajo.Cek Hermana, tina catetan sajarah

kamekaran seni tradisional JawaBarat, Bupati Bandung R.A.A Mar-tanagara (1893-1918) kungsi nyadi-akeun tempat latihan kasenian,ngi bing, gamelan jeung sandiwara dikompléks kabupatén nu disebat BaléKabudayaan Priangan. Sawaktu-waktu Bupati ngondang para ménakpikeun nyakséni pintonan seni hasilkréasi para ménak lianna. Nu utama,para ménak Sunda baheula teu ngansaukur nempatkeun seni tari jeungseni lianna jadi hiburan, tapi ogépikeun ngalelemes budi pekerti. Ku ki-tuna, Herman gé miharep yén diajarlongsér téh teu ukur ngagugulungkasenian wungkul, tapi éstu keurngawangun karakter kacerdasan.

“Diajar Longsér pikeun anggotapakumpulan Bandoengmooi mahsanés kanggo jadi seniman, tapikanggo ngasah haté sangkan mekartur cerdas. Buktosna, anggotana aya

nu janten dosén, guru, penyiar,wartawan, sareng sajabina,” pokna.

Salaku sarana pintonan, senilongsér di antara abad ka-18-19 geusmeunang kahormatan ti kaom ménaksarta hirup subur di unggal kabupaténdi tatar Sunda. Longsér /téater tradi-sional nu remen kasabit-sabit nyaétaBang Tilil jeung Ateng Jafar “Pan-cawarna’ di wewengkon Bandungmah. Katompérnakeun, dimekarkeunku barudak ngora boh di pakotaan bohdi pasisian. Di Bandung kungsi ayaLongsér Antar Pulau jeung LongsérPancakaki nu dimekarkeun ku kaomakademisi nu kiwari jadi Longsér Ban-dungmooi. Ngan hanjakal, cék Her-mana, pamaréntah Jawa Barat salilaieu kurang ngarojong seni longsér. Ki-wari pamaréntah Provinsi Jawa Barattacn kungsi deui ngondang pagelaranlongsér. Padahal di Jawa Barat lobajenis téater rayat, tapi ti taun 2004kadieu kurang dirévitalisasi.***

Asép GP.

Longsér BandungmooiNgawanohkeun Ibing Sunda Bari Ngalongsér

Longsér Bandungmooi ngasah karakter ngaliwatan seni (Asép GP)

Manglé 2450 37

Biasana datangna pabaru Islamdi Kabupatén Bandung ukurdipapag ku kagiatan nu

sipatna alakadarna. Malah réa kaommuslimin nu ngabagéakeun éta taunanyar ukur ku kagiatan nu siftanasosoranganan di antarana tafakur dimasjid atawa di imahna. Dina ayanaogé nu ngalaksanakeun kagiatanrombongan, ukur ku rumaja masjidsaperti pawéy obor atawa paradédulag. Béda jeung taun-taun samé -méhna, dina mapag taun anyar Islamayeuna mah di Kabupatén Bandungogé direuah-reuah ku rébuan umatIslam. Salian ti kitu, Pemkab Ban-dung ogé milu ngarojong sartangadeudeul kagiatan mapag pabaruIslam, 1 Muha ram 1435 H. Kagiatannu dikoko la keun ku pamaréntahmuseur di Cicalengka. Papadaningkitu, di daérah séjén saperti Soréang,pabaru Muharam téh dibagéakeun kuPawéy Obor jeung paradeu bedug nungaaubkeun ratusan urang santri tipasantrén di wilayah Soréang, paramurid madrasah Ibtidaiyah, jeung

masarakat umum. Bupati Bandung,Dadang M Nasser, ngaresmikeun ka-giatan mapag taun anyar 1 Muharamdi Komplék Batalyon Lintas Udara(Linud) 330 Kujang, KécamatanCica léngka. Sakurang-kurangna aya5000 urang pamilon nu milu pawéyta’aruf, dina raraga ngareuah-reuahdatangna taun anyar umat Islam téh.Para pamilon di antarana ti pa -santrén, Takmiliyah Diniyah, PAUD,TK Islam, Madrasyah Ibtidaiyah,jeung masarakat séjénna.

Ruteu nu ditempuh jarakna kurangleuwih 5 km. Ti mimiti jalur Cica -léngka asup ka daérah Parakan-muncang laju ka jalur Rancaékéksarta eureun di Mesjid Besar Ci-caléngka. Pawéyna henteu leumpang,tapi tarumpak motor jeung mobil,malah aya pamilon nu mawa beduglengkep jeung “sound system”-na.Lian nakol bedug, nu pawéy ogé nga-galindengkeun solawat badar.

Bupati ogé milu pawéy ta’aruf. Bu-pati tumpak mobil dolak, dibarenganku Anggota DPRD Kabupatén Ban-

dung Cecep Suhendar, DanYon Linud 330 Cicalengka,Ketua Majelis Ulama In-donesia (MUI) KH. AnwarSaefudin Kamil, jeung Sékré-taris Daérah KabupaténBandung, Ir.H.Sofian Nat-aprawira, MP.

Dina mapag 1 Muharamtaun ieu, katémbong ogéhadir para kepala OrgansasiPemerintah Daerah (OPD)di lingkungan Pemkab Ban-dung. Biasana, éta para paja-bat téh ukur hadir dinakagiatan miéling pabarumaséhi wungkul. Lantaranpamaréntah KabupaténBandung biasana ukur

ngaagéndakeun kagiatan dinararaga mapag 1 Januari.

Kagiatan mapag pabaru Islam di-reuah-reuah tur dihadiran ku parapajabat mah sigana kakara taunayeu na. Dina éta acara Dadangnétéla keun, pabaru Islam 1 Muharam1435 H téh mangrupa moméntumpikeun intropéksi diri. Gantina taun,bisa ditafakuran geusan ngabebenahkahirupan sangkan leuwih alus.

“Hayu urang papag ieu momenpikeun ngélingan diri urang, supadostiasa hinjrah kana prilaku anu salamiieu kirang payus ka nu saé. Atuh pamitos saé, urang langkung saékeundeui,” pokna. Warga Rancaékék, diantarana Asep Muhtar, ngarasareueus lantaran Pemkab Bandungmilu ngarojong ur ngadeudeul ka-giatan mapag taun anyar Islamkalawan obyag.

“Biasana mah Bupati Bandungsareng réngréngan téh agéndanasami sareng pamaréntah pusat, ukurngareuah-reuah taun anyar anyar 1Januari wungkul, da cenah éta mahsipatna nasional,” ceuk Asep. ***

nunk

Pabaru Islam di Kab. BandungDipapag ku Pawéy Obor & Solawat Badar

Pawéy obor, kagiatan nu remen dilaksanakeun saban mapag pabaru Islam (nét)

38 Manglé 2450

Dina tanggal 30-31 Oktober nuanyar kaliwat dilaksnakeunkagiatan Forum Musyawarah

Mufakat –I (FMM-I) di Hotél EnhaiiJl.Dr.Setiabudhi Bandung. Éta gem-pungan nu diiluan ku 23 Organisasinon parpol téh madungdengkeunsaniskara pasualan nu disanghare-upan ku bangsa jeung nagara In-donésia sarta tanggung jawan orga nisasi non parpol. Lian ti éta, dipedarogé wadah konstitusional nu bisa nga-malirkeun aspirasi organisasi nonparpol.

Hasil kasapukan FMM-I nyaéta, or-ganisasi non parpol moal cicingeun,nangkeup tuur bari lalajo, dina nyang-hareupan sagala pasualan nu karan-dapan ku bangsa jeung nagara, tapiseja icikibung, milu tanggung jawabkana lumangsungna bangsa jeun na-gara Indonésia. Sedengkeun nu jadiwadah konstitusional pikeun nga-malirkeun aspirasi organisasi nonparpol nyaéta MPR RI minangkaLembaga Tertinggi Negara. ForumMusyawarah Mufakat-I nu difasili-tasan ku MTiga gé mufakat ku diji -eunna Badan Pekerja/Tim Sembilannu pancénna ngarumuskeun lajun-

inglakuna kasapukkan FMMM-I, nurék neruskeun kagiatan FMM-II dinabulan Januari 2014 sarta ngonsoli-dasikeun poténsi organisasi non par-tai.

Ku naon nepi ka aya organisasi nonparpol? Ratna Sarumpaet, PupuhuMajelis Kedaulatan Rakyat Indonesianu ogé minangka Badan Pekerja/TimSembilan(bareng jeung Tyasno Su-darto (GRN), Edwin H. Soeko -wati/ANINDO , Soenardi/GRM, dr,Zulkipli /FPKR, Cakra Waluya Wira-pati Suramanggala/LSCM-15), Bam-bang Eka/Gaspermindo, RochBasoeki Mangoenpoerojo/MTiga,jeung Suryo susio/MTiga), bruk-brakka Manglé. Balaréa gé geus padauninga cenah gé, ti sabadana réfor-masi nu beuki parna ku rézim SBY-Budiono, nu ngarana partéy pulitiktéh lain ngan saukur teu nulunganrayat tapi ngagebruskeun rayat, lainukur nguciwakeun raya tapi nga -nyenyeri rayat. Indonésia mer-cayakeun ka partéy dina ngurus rayat,tapi kanyataanana nu kasaksén jeungkarasa ku urang mah pmarentahjeung sakabéh lembaga nu ayapakaitna jeung karaharjaan, kadilan,

kamamuran rayat sihoréng geusngahianat rayat. Sumber daya alamdigadékeun, tanah adat anu rayat di-rarad. Kacatet aya 2000 kasus tanahadat dina salila taun 2012, salila étarayat kudu nyanghareupan aparat. Étakabéh balukar tina ayana ayana“persengkongkolan” pamaréntahjeung partéy, sabab aya pakaitnajeung nyieun undang-undang , di-mana aya kawijakan UU InvéstasiAsing atawa disisi lianna UU Agrariarayat jadi balangsak, lantaran ampir90% SDA urang dikawasa ku asing.

Nu jadi margalantaranana jelasbalukar ayana ku ayana “amandemenUUD 45”. Amandeén nu kahiji mahleuheung kénéh, tapi nu ka-2-3-4parna pisan. MPR minangka hiji-hi-jina lembaga panyalindungan rayat“dikabiri”, tina “Lembaga TertinggiNagara” jadi “Lembaga Tinggi”. Jadiulah hélok lamun taya deui GBHN,taya deui kakuatan pikeun ngontrolDPR jeung Presidén. Kukituna, cékRatna, éta hal dipedar dina FMM-I nutaya lian pikeun merjuangkeun sartanempatkeun deui MPR minangkaLembaga Tertinggi Negara, salakuforum bangsa/rayat. Salasahiji nu di-hapus nyaéta Utusan Golongan. Jadikudu ditarékahan sangkan “wadah”rayat araya deui.

“Kiwari rayat badé ngadoni ka saha?Kapan ayana parobahan undang-un-dang invéstasi jeung agraria ogé mé-mang dikonsép ku asing, nyaéta kuBank Dunia (World Bank),WTOatawa IMF. padahal rayat boga hakkana ieu républik, boga hak protés.Lamun henteu, tanwandé Indonésiabaris dicorét tina peta dunia, sababsakabéh kakayaanana bakal jadi milikasing. Jeung sacara harga diri, kuringjelas kasigeung. Éta téh pelec han!Maenya sakabéh undang-undangdikonsép ku urang asing?” ceuk RatnaSarumpaet, dibarung ku ngagebragméja.

Ceuk Suryo Susilo ti MTiga, mé-mang urang geus leungitan mékanis-

Organisasi Non Parpol Boga Tanggung Jawab

ka Bangsa & Nagara

Para inohong Forum Musyawarah Mufakat. (Asép Gp)

Manglé 2450 39

meu musawarah diganti ku voting,geus kaleungitan MPR salaku Lem-baga Tertinggi Negara, tempat mu-sawarahna rayat.

“Nagara urang geus kaluar tina cita-cita réformasi. Kabéh riweuh ngudagkakawasaan. Ieu forum ieu hayangmulangkeun deui kadaulatan rayat,pokna. Ari Mulia Subagja OC FMM gésapamedagan, yén MPR geus teungawakilan rayat, partéy ngan ukurjadi bandana nu boga saham. Naon nudiparéntahkeun ku ketua partéy teubisa dipungpang, teu démokrasitis.

“Ku naon non parpol nyieun ieuforum? Lantaran kacida teu adilna250 juta rayat Indonésia diwakilanukur ku sababaraha urang ti partéybari teu jeung mihak rayat leutik.Kukituna, nya ngajak organisasi-orga -nisasi non partéy pikeun medar jeungnyiar solusi tina pasualan nu karanda-pan ku bangsa. Da kapan parpol mahngan saukur babagi kuéh jeung rejekihasil korupsi,” ceuk Ari, tandes.

Organisasi pamilon FMM-I:Anindo, G.R.N, Front PemulihanKedaulatan Rakyat, G.R.M, Gasper-

mindo, GMBI, HKTI, KabuyutanCipageran, Forum Ki Sunda, Komuni-tas Adat LOLODA MALUT, komuni-tas Seniman Bangun Pagi, MKRI,Padepokan Roshantika, PemudaDemokrat, Pupuhu Lemuria SpiritualCentra M15, Pupuhu PangguratMasyarakat Adat Karahayuan Pan-gawitan Lebur Hanjatan Panjalu -,Suara Independen Rakyat Indonesia,KSBSI,, KMHDI, IPNU, HNSI.jeungPHDI.***

Asép GP.

Dina tarékah ngamekarkeun aléh, karep, sartakamotékaran murid TK, dina sela-sela gempunganrutin, halal bi halal, jeung “temu-pisah” Wakil Ketua

GOPTKI (Gabungan Organisasi Penyelenggara Taman Kanak-kanak Indonesia) Kab. Tasikmalaya sawatara waktu nu kali-wat, di Pendopo heubeul Tasikmalaya, ngayakeun lombanyanyi solo anu dipiluan ku para murid TK utusan ti 39 kaca-matan sa-Kabupatén Tasikmalaya.

Ketua GOPTKI Kab. Tasikmalaya, Hj. Maemunnah A. KodirS.Pd, nétélakeun, kagiatan rotin nu biasa diayakeun unggalbulan, bulan ieu mah dipatalikeun jeung kagiatanngabagéakeun Hari Anak Nasional. Tujuanana, disagigireunngali anléh jeung kamotékaranana, ogé sangkan kabéh anakdidikna ludeung, kahudang sumangetna pikeun tandangmakalangan di hareupeun umum.

“Janten sanés supados kéngingjuara. Nu utamina mah, supados baru-dak téh jaranten anak nu mandiri, barimudah-mudahan tiasa ningkakeunajén seni sorana,” pokna.

Ku lantaran di Dinas Pendidikangeus aya kagiatan saperti Porseni jeungPorsipitas, barudak nu kiwari diatik ditingkat Taman Kana-kana, dinamangsana tingkat pendidikanana pin-dah ka SD téh geus siap milu rupaningkagiatan nu diayakeun ku Dinas Pen-didikan. Kitu deui mangsana kudu tan-dang di tingkat provinsi, kamampuhanbarudak didik téh kari ngasakkeunwungkul.

lian ti lomba nyayi, ogé sakalian di-ayakeun acara paturay tineung sartasérén-sumérén kalungguhan WakilKetua GOPTKI Kab. Tasikmalaya, ti

Hj. Yeti Cece ka Hj. Atin Alfian SPd. Réngréngan pangurusGOPTKI kiwari nyaéta, Pembina: Bupati, Sékda, katut Kadis-dik. Penaséhat: Hj. Lina Ruzhan katut Hj. Ai Diantani. Ketua:Hj. Maemunah Abdul Kodir SPd, Wakil Ketua: Hj. Ihat AlfianSPd. Sékrétaris: Hadi Rahmat SPd. Bendahara: Hj, I’ah SPd.Bidang Organisasi: YPLP Dikdasmen, PGRI. Bid. Pendidikan:Hj. Hartini SPd. Bid. Ékonomi: Ibu Euis Yana. Bid. Kesra: Hj.Endin SPd.

Anu jadi pinunjul lomba, pinunjul I utusan TK NegeriKarangnunggal. Pinunjul II TK Plus Nurul Huda Singaparna,pinunjul III TK Kac. Taraju, pinunjul IV TK Kac. Manonjaya,pinunjul V TK Kac. Sariwangi, sarta pinunjul VI TK Kac. Ban-tarkalong.***

Uun juharti

TK KarangnunggalJura I Nyanyi GOPTKI

Para pamilon lomba sabar nganti giliran

40 Manglé 2450

Luyu jeung ngaranna, sejarah Hi-jriah ti mekah ka madinah. saratmuatan nu ngandung makna

kalintang gedéna, aya ajén inajén geu-san ngagedurkeun laku lampahmanusa anu leuwih ngutamakeunkana kaihlasan, kasabaran, kajujuranjeung sumanget gawé. Hijrah atawa pindah. Ngandung hartianu leuwih lega. Pindahna laku lampahmanusa anu leuwih ngantebkeun diritumarima sujud sukur ka Nu MahaKawasa, ku cara ngarobah diri jeungningkatkeun rasa kasadaran diri anuleuwih jembar. Ningkatkeun kaiman -an jeung kaIslaman.

Eta hal minangka jejer obrolan‘Memaknai Taun Baru Hijriah’ anudipedar ku tilu urang nara sumber dinaacara talkshow/interaktif forum kitaprogram TVRI Jawa Barat anu disiar -keun langsung poe Rebo (6 Nopember2013) di stasiun TVRI Jabar, JalanCibaduyut Bandung. Para Nara Sum-ber diantarana, Ketua Umum MUIKota Bandung Prof. Dr.K.H. MiftahFaridh; Ketua DKM Mesjid Al-KautsarKopo Bandung, Ust. Asep Rahmat,sarta Ketua Bidang OrganisasiPaguyuban Pasundan Drs. Soma Gan-tika, M.Si

Konsep hijrah, numutkeun K.H. Mif-tah Faridh intina parobahan. Ngarobahsikep jeung laku lampah urang nuleuwih hadé. Salian ti éta ogé ngandungharti nu leuwih lega, aya hijrah profesi,hijrah gawé, hijrah-hijrah séjénna anupatula patali jeung ka hirupan manusasagemblengna.

Hartina, “Hijrah téh ngandungmakna, parobahan kana hal anu leuwihhadé, leuwih ningkat darajat kajujuranjeung bebenaran,” kitu ceuk KH. Mif-tah Farid.

Miéling taun baru hijriah, ceuk Prof.Miftah negeskeun, henteu ngan sa ukurkagiatan anu sipatna serémoni. Tapi,ngandung rupa-rupa ajén luhung anudijerona leubeut ku makna jeung harti

anu leuwih jero. Nya tadi téa, ngarobahsikep, watek jeung laku lampah anuhadé tur leuwih unggul deuih. Ku ki-tuna, miéling hijriah téh, ngingetan nyaka diri boh pribadi boh umum, yénurang misti nyonto sagala rupa anugeus dicontokeun ku Kangjeung NabiMuhammad SAW. Milampah pa-gawéan estu karana rido Alloh SWT.Sabar, tawekal, jujur jeung bener étaanu kudu jadi cepengan hirup jeungléngkah hirup.

Sajeroning kitu, Ustad Asep Rahmatnétélakeun, prak-prakan ngareuah-reuah miéling taun baru hijriah téhmémang teu aya hal anu misti. Tapi,teu jadi halangan jeung harungan, ponkitu deui teu salah, upama masarakatdina ngareuah-reuah taun baru hijriahtéh rupa-rupa cara, ulah dinaha-nahajeung dijadikeun pasualan. Sabab,saban daérah tangtu dina ngabagea -keun jeung ngareuah-reuah éta taunbaru Hijriah teh bakal béda nurutkeunadat atawa budayana masing-masing.Da ari tujaunna mah tetep sarua.Nyaéta “Evaluasi (napakuran diri)jeung nyoréang mangsa nu akal datanganu leuwih maju tur leuwih ningkatdarajat amal jeung kahadéan,” ceuk

Ustad Asep tandes naker.Sawirahma jeung anu dikedalkeun

ku KH. Miftah Faridh sart Ustad AsepRahmat, Ketua Bidang OrganisasiPaguyuban Pasundan Soma Gantikanegeskeun, yén taun baru hijriah téhmangrupa kajadian anu kacidaagungna. Nanjeurna parobahan sikepjeung laku lampah diri leuwih deukeutjeung leuwih deuheus ka Alloh SWT.Implementasina atawa prak-praka nan,ceuk Soma nandeskeun, ngaji diri,ngahudang sumanget gawé jeungmageuhan tali silaturahmi diantara pa-pada manusa, pon kitu deui mi kanyaahjeung papada mahluk séjénna. Eta halgeus ngabaju jeung anu sakumahaditétélakeun dina palsafah urangSunda, silih asah-asih jeung asuh.

“Tuh pan natrat yén hijrah téh ngan-tebkeun diri enggoning ngaraksangariksa diri nanjeurkeun kajujuranjeung bebeneran sarta babagi kanyaahjeung papada manusa, “ ceuk Somatandes naker.

Jadi, ceuk Soma Gantika, mielingtaun baru hijriah téh taya lian eng-goning ngantebkeun diri sarta nan-jeurkeun rancagé gawé hadé pikeunkamasalahatan boh keur diri pribadi-boh keur balaréa.***

Makna HijriahDina Laku Lampah Hirup Sapopoe

Prof. Dr. KH. Miftah Faridh (kadua ti kénca) dina acara dialoh Interaktif ‘Memaknai TaunBaru Hijriah’ di TVRI Jawa Barat.

Manglé 2450 41

Panon poé keur meujeuhnamorérét. Karasana ku ajagmah, lian ti hareudang ogé

hanaang. Matak, léos wéh ka tem-pat nu biasa mun manéhnahayang nginum. Di dinya mah,mémang, aya sababaraha lombangnu caian.

Tapi, lombang nu daréét mahgeus saraat. Atuh, ajag téh ngaléosdeui ti dinya, muru lombang nuleuwih jero. Enya wé, di dinyamah caina gedé kénéh, nganorokaya, hayang nginum téh ka-paksa kudu deku nu saterusnanyolodor keun huluna.

Kakara gé letahna rék ngalétakcai, ujug-ujug gejebur wéh ajag téhtigujubar. Enya, nginum mahseubeuh, tapi horéng hésé rékhanjat téh. Nyoba-nyoba ngajlengngahontal gawir lombang teu bisa,antukna mah, cicing bari ulag-ileug dina cai nu jerona semetbeuheung.

Tadina mah rék gogorowokanménta tulung, susuganan aya ba-baturanana di sabudeureun étatempat. Ngan, maksudna kitu téhteu dilaksanakeun, ceuk pikirna,mun ménta tulung ka batur, atuhsakumahaeun teuing wirangna, daapan manéhna téh, kaasup satogagah nu pada mikagimir ku satoséjén.

Leng manehna mikir.Gilig wéh,moal waka ménta tulung, kajaba

mun geus teu manggih jalan séjén.Ceuk pikirna, mending rék koko-jayan heula wé ngajagjagkeunawak!

Keur anteng kokojayan,kadéngé aya geblig sora nuleumpang. Teu kungsi lila bréhtémbong embé kawas nu ngahajadatang ka dinya rék nginum. Mé-mang, enya, éta embé gé hanaangkacida. Kituna téh lantarancikénéh lumpat tipaparatit baka -ting ku baluas lantaran diudagmaung.

“He ki silah gancang geuraturun!” ceuk ajag.

“Tiis meureun caina nya?” ceukembé.

“Puguh wé, malah matak segerdeui.”

“Ah, sieun teu bisa hanjat ariturun mah.”

“Moal, gambang, engké diban-tuan disonggo hayang hanjat kaluhur deui mah.”

“Heug atuh!” ceuk embé barinyorososd ka handap.

Leguk wéh nginum. Rasahanaang leungit saharita. Ngan,teu waka hayang hanjat deui, lan-taran baluas kénéh ku nu ngudagmaung téa.

Ningali embé keur ngahuleng,ajag bungah kacida. Apan, ayajalan keur bisa hanjat ka luhur.Da, kitu dina pipikiranana gé,mun aya nu séjén di dinya,

manéhna baris bisa luncat kanatonggong batur nu saterusna hajatka luhur.

Nyéh ajag seuri. Manéhnangadeukeutan éta embé, terusngoréléng ka tukangeunana. Geuskitu mah ngawahan, terus luncatkana tonggong embé, jleng wéh kaluhur, hanjat tina éta lombang.

“Héy, deuk ka kama?” ceukembé.

Ras embé téh inget ka nucikénéh kaalaman ku dirina. Apan,pangna nepi ka éta tempat téh lan-taran diudag-udag maung. Ceukpikirna, mun salah lumpat, ajagtéh baris pasarandog jeungmaung.

Ngadéngé sora embé kitu, ajagukur mesém. Rég eureun!

“Dasar bodo anjeun mah,puguh kula gé hésé hanjat!” ceukajag.

“Hey, kadé ati-ati.”“Ah, pek wé nya sorangan,”

ceuk ajag bari malik rékngaléngkah.

Teu apaleun ti mana jolna,barang malik, ajag ngajenghok,lantaran hareupeunanna, maungnu badanna leuwih gedé jeungleuwih jangkung keur salawak.Atuh, ajag téh teu bisa majarkumaha, harita kénéh dikerekebmaung. ***

(Kintunan Fanfan, SD Negeri

Rancaloa, Kota Bandung)

Akal Ajag

Mapag Pajar Kamerdekaan Hirna Mupakat 17 Agustus 1945

(Diungkabkeun Ku RH Lily Sumantri Dina Buku ‘ Bunga Rampai’)

42 Manglé 2450

Persiapan Kamerdekaan

Liwat perjuanga diplomatikpulitik, tanggal 28 Mei 1945 diben-tuk “Dokuntsu Tsumbi Cosakai”atawa Badan penyelidik Usaha-usaha Persiapan KemerdekaanIndo nesia (BPUPKI) nu dipigpinku Dr.Rajiman Wedyodiningrat,anggotana diantarana Ir. Sukarno,Drs.Moh.Hatta, Mr.Moh.Yamin,Mr.A.A.Maramis jeung anu sejen-sejenna.

Sidang munggaran BPUPKIlumangsung taggal 1 Juni 1945,ngahasilkeun diantarana rumusan“PANCASILA” Nu jadi dasar pal-sapah indonesia Merdeka. Tanggal22 Juni 1945 neruskeun sidangnanu ngahasilkeun hiji rumusan asastujuan nagara indonesa merdekanu saterusna mashur disebut “Pia -gam Jakarta”.

Ti bulan juni 1945 dumasarkana parentah jenderal Nagano,Komando- komando tentara ka 16Jepang jeung Jawa Barat dumasarkana komando jenderal Mabucitanggal 7 Agustus 1945 BPUPKIdibubarkeun ku pamarentah

militer Jepang. Nya diganti kuPanitia Persiapan KemerdekaanIndonesia ( PPKI) nu anggotana 60urang.

Kaayaan beuki rengkeng, nin-cak bulan agustus, Amerik Serikatngagebrag dunya ku talajaknangancurkeun kota Hirosima tnggal6 Agustus, hirosima diancurkeunku bom atum, teu sugema ku Hiro -sima, jelegur Nagasaki oge dibomatum tepi ka ancur lebut taggal 9Agustus 945. Eta dua kota diJepang binasa ku radiadi bomatum Amerika. Mangrupa prestasingancurkeun kota anu gegek padu-muk sipilna, mangsa harita mahtacan aya babandinganana.Amerika Serikat dina waktusingget Amerika Serikatngademonstrasikeun ka dunyamerdeka kapaloporan kamampuh -na ngamusnahkeun sacara totalngamusnahkeun dua kota tanpamilih-milih rupana, umurna anubinasa ku bom teh, naha keur ayadi rumah sakit, di sakola, nahakeur balanja di pasar atawa di tokoluyu jeung profesina masing-ma -sing, geus henteu mikir nanaon,

Minggu pengker dipedarngeunaan perjuangan

tentara PETA di CileuncaBandung kurang leuwih

10 urang gugur. Perlawanharita dilakukeun geusdeukeut kana waktuna

Jepang serah bongkokanjeung Indonesia merdeka.

Kanyataan etangayakinkeun bangsa

Indonesia yen samistinapara pulitisi leuwih wani

nyindekeun putusan pulitikna . Ngawujdna

Indonesia merdeka lainhadiah ti Jepang tapi

ditebus ku getih jeungnyawa para pahlawan

bangsa.

Manglé 2450 43

jelegur bom ngancureun dua kota,sapangeusina binasa jeunglingkungan pisik tata kotana.

Serah Bongkokan kasekutu

Tanggal 10 Agusts 1945 sapoesabada Amerika ngabom Hirosimajeung Nagasaki, , Jenderal Teraichimanggil bung Karno, Bung Hatta,Dr. Rajiman jeung Dr.Suharto,Jepang hayang leuwih gancangmasrahkeun kamerdekaan kaIndo nesia, keur pamarekan sistimsosial. Dina riungan harita BungKarno ngalaporkeun yen geusdibentuk PPKI (Panitia PersiapanKemerdekaan Indonesia). Sabadaditeuleuman, pihak Jepangmarentah ka Bung Karno sangkansapoe samemeh tanggal 15 Agustusdiayakeun sidang PPKI. Rombo -ngan mulang ka Jakarta 14 Agustus1945.

Perisrtiwa penting geus kajadi -an sabab tetela Jepang ngisarah -keun masrahkeun diri 14 Agustus1945. Delegasi Jepang dipigpin kuMentri Luar Negri Shiginatsu feusnandatangan pernyataan masrah -keun diri ka Sekutu dina kapalinduk Amerika Missouri ditarimaku Jenderal Mac Arthur.

Isukna tanggal 15 Agustus 1945jam 12 Kaisar Hirohito dina pidatoradio netelakeun yen Jepangngeureunkeun peperangan. Sabadapamarentah militer Jepang elehperang, Sekutu marentah sangkanJepang mertahankeun Status quodi wilayah-wilayah anu dikawasanatepika waktuna dipasrahkeun kaSekutu.

Peristiwa Rengasdengklok

Muncul isu jeung bocoranngeuna an masrahkeun dirinajepang ka Sekutu 14 Agustus 1945.Isukna 15 Agustus 1945 ngamang-paatkeun kafakuman kakawasaanpamarenta, peutingna jam 22.00sajumlah pamuda ti Asramamenteng diwangun ku Sukarni,Chaerul Saleh, saparakancadaratang ka bumi Bung karno dipegangsaan Timur pikeunngadongsok Bung Karno gancang

mroklamasikeun Republik Indo -nesia. Para pamuda hariwang bokbisi kudu narima kamerdekaanIndo nesia mangrupa hadiah tiJepang, tapi kuduna dumasar kanaputusan rayat Indonesia.

Liwat debat sengit bung Karnonolak pamenta para pamuda , atuhgempungan beuki rengkeng tepi kataya putusan nanaon. Ahirnakalangan tentara PETA nyinde -keun inisiatip ngamankeun duatokoh pingpinan bangsa BungKarno jeung bung Hatta disare -ngan ku ibu Fatmawati jeungputra na Guntur nu bureuyeungkeneh ming ka Rengasdengklokkasubuhna keun jam 03.00 sabadasaur da harita teh bulan puasa,make kendaraan PETA dianteur kusukarni, Shudanco Dr. Suciptojeung Shudanco singgih.

Cunduk di rengasdengklokrebun-rebun keneh pisan. Siangna,dua pamuda nu dipingpin kuSukarni geus balik deui rekngadongsok terus ka Bung Karnosangkan gancang mroklamasikeunkamerdekaan Indonesia. Kaayaanjadi rengkeng sabab Bung Karnotetep nolak jeung ngeceskeun kapara pamuda yen mroklamasikenkamerdekaan Indonesia teh tang-gal 17 Agustus 1945. Eta mangsaanu panghaden saur Bung Karnol17 angka karamat harita kabenerankeur aya dina bulan Ramadhandina waktu Puasa. Al Qur’andilungsurkeun 17 Ramadhan sartaumat Islam solat 17 rakaat sapoesapeuting, eta diantarana alesankunaon proklamasi kamerdekaankudu tanggal 17 Agustus. Ahirrempu gan ahirna mupakat jeungngabuleudkeun tekad geusanmroklamirkeun kamerdekaanIndo nesia tanggal 17 Agustus 1945.

Tanggal 16 pasosore bungKarno jeung Bung Hatta dipapag -keun ku mr.Subarjo, saterusna di-anteurkeun deui ka jakarta. Tipasosore tepi ka tengah peuting diJakarta kajadian kasibukan luarbiasa. Sakur kagiatan dilakukeundi tempat pamatuhan resmi laksa -mana Muda Maeda nu simpatikkana perjuangan rayat Indonesia.Ngamangpaatkeun imah Maedakeur ngarumuskeun jeung natahar -

keun hasil mupakat ngeunaankalimah teks proklamasi nu rekdibaca isukna. Imah Maeda di jalanImam bonjol mun ayeuna mah. Etateh wilayah Angkatan laut nu ayadi areal kakawasaan AngkatanDarat. Tapi setatus teritorialnamah anu angkatan laut sorangan.Hartina naon bae kajadian diimahna,teu aya anu bisa nga-ganggu gugat atawa ngusir. ***(HRS/Hanca)

Perisrtiwa penting geuskajadian sabab tetelaJepang ngisarahkeunmasrahkeun diri 14 Agustus 1945. DelegasiJepang dipigpin ku Mentri Luar Negri Shiginatsu feus nandatangan pernyataanmasrahkeun diri kaSekutu dina kapal indukAmerika Missouri ditarima ku Jenderal Mac Arthur.

44 Manglé 2450

Sabaraha taun ari umur Pa Rusdijeung Ambu Rusdi waktu mimitingalalakon dina buku Rusdi jeung

Misnem? Teu ditétélakeun. Anu aya téhumur Rusdi jeung Misnem. Rusdi umurnatujuh taun, Misnem lima taun. Ari Ramlan,lanceukna Rusdi jeung Misnem? Teudisebut keun deuih. Ngan kira-kira antarasalapan – sapuluh taunan, lamun nilikkana béda umur antara Rusdi jeung Mis-nem mah. Anu jelas, harita Ramlan geussakola di Bandung, di Sakola Karang Pa-mulangan, sabada sataun sakola di SakolaDésa di lemburna.

Ayeuna upama Pa Rusdi kawin jeungAmbu Rusdi dina umur antara 20 – 25taun, sakumaha ilaharna lalaki jamanharita, meureun umur Pa Rusdi téh, waktumimiti ngalalakon dina buku Rusdi jeungMisnem, antara 30 – 35 taun. Umur anukeur meumeujeuhna sumanget kana di-gawé. Ngan, asa ngora teuing pikeun jadilurah paréman atawa lurah hormat mah.Ieu mah lamun diukurna kana kabiasaandi pilemburan alam harita. Apan biasana,anu kasebut lurah paréman téh, lalaki anuumurna geus leuwih ti tengah tuwuh. Iwallamun keur jadi lurahna henteu kapaké kurahayat atawa ménta eureun di tengahjalan, atawa henteu nyalonkeun deui dina

pilihan lurah periode saterusna. Loba béja -na apan, aya lurah saumur-umur, sababharita mah can diwatesanan ku masa ja-batan dua periode saperti kiwari. Teu ka-paluruh, naon sababna Pa Rusdi eureunjadi lurah. Meureun dianggap henteu pen -ting aya alesan. Ngan anu jelas, gagantinamasih kénéh kulewedetna. Nyebutna ogé“adi” apan, Pa Rusdi ka lurah jeneng téh.

Kalungguhan lurah paréman, lurahhormat, atawa lurah manten kawilangkalungguhan anu “séksi” pikeun tokohcarita di pilemburan mah. Kalungguhananu aya di tengah-tengah antara rahayatjeung aparat pamaréntah, antara cacahjeung ménak. Bisa campur-gaul dina hirupkumbuh bari henteu kasungkeret ku tata-titi birokrasi. Tangtu béda jeung tokohlurah jeneng. Pa Rusdi bisa laluasa digawésakumaha lumrahna patani, pacabakanumumna urang lembur harita. Ka sawah,ka kebon, jeung miara ingon-ingon. Nganaya bédana saeutik, Pa Rusdi mah patanibeurat beunghar, anu masih kénéh pantesdisebut juragan, copélna ku badéga-badéga na. Jadi lain ngan saukur bulutaneuh anu kandel ku daki.

Pa Rusdi bisa laluasa mantuantatangga na anu ngadegkeun imah, lan-taran imahna anu ti heula kahuruan. Pa

Rusdi ogé bisa sabataé milu moro bagong,lantaran ngaranjah pepelakan urang lem-bur. Pa Rusdi milu aub kana kagiatanurang lembur, malah dipénta kudungokolotan, saperti dina waktu upacarangamandian ucing, mangsa halodo pan-jang. Kapaksa kudu daék, ngalakonankabiasaan urang lembur, sanajan haténamah henteu mikeun. Pa Rusdi ogé bisacampur jeung nu luhur. Milu nyambungan,basana “dumeudeul ku congo reuma, béassaléter, cau sasikat, sareng suluh sateuk-teuk” basa Juragan Camat kariaan nyepi-tan putrana. Ngabring indit sirib tilemburna bari dituturkeun ku parabadé-gana anu nanggung béas, suluh, cau, jeungsajabana. Pa Rusdi tumpak kuda jeungRusdi katut Misnem, ari Ambu Rusdi di -gotong kana tandu. Malah leuwihna ti kitu,Pa Rusdi jeung Ambu Rusdi dipikolot kuJuragan Camat jeung istrina. Pa Rusdidiperih ngokolotan di balandongan, ariAmbu Rusdi ngokolotan di dapur. BasaJuragan Camat ngajejeran samen di SakolaDésa, tempat Rusdi sakola, apan mulihnangahajakeun nyimpang heula ka imah PaRusdi. Ka imah lurah paréman, lain kaimah lurah jeneng.

Hubungan anu sakitu hadéna jeungJuragan Camat, nyirikeun yén Pa Rusdieureun na tina lurah téh, taya lantaran anugoréng. Pa Rusdi eureun tina kalung-guhanana, tuluy meunang prédikat lurahparéman, éstuning keur kapentingan tokohcarita baé. Sasatna mah dieureunkeun kunu ngarang buku Rusdi jeung Misnem, lan-taran mikabutuh tokoh anu bisa ka bala kabalé, anu logor ka luhur jeung ka handap.

Ramlan deuih anu jadi korbankapentingan pangarang téh.

Ramlan téh anak cikal Pa Rusdi jeungAmbu Rusdi. Kuduna mah ngaran kolotnalain Pa Rusdi jeung Ambu Rusdi, tapi PaRamlan jeung Ambu Ramlan. Kabiasaanurang Sunda, utamana di pilemburan,ngaran kolot téh sok diganti ku sesebutananak cikalna. Kabiasaan anu masih kénéhaya nepi ka kiwari di masarakat Kanékés(Baduy). Upamana baé Karsim kawinjeung Satiem, boga anak lalaki dingarananKarnaén. Ti harita leungit tah ngaran Kar-

Budi Rahayu Tamsyah

Ngalanglang­Alam­Rusdi­jeung­Misnem­­(3)

Manglé 2450 45

sim jeung Satiem téh, diganti ku sesebutanAyah Karnaén jeung Ambu Karnaén. Hen-teu robah deui éta téh. Sok sanajan Karsimjeung Satiem boga anak kadua, upamanaawéwé, anu dingaranan Kartiah. Karsimboga anak dingaranan Karnaén jeung Kar-tiah. Éta ogé kabiasaan urang Kanékésméré ngaran ka anakna; kudu baédimimitian ku engang anu sarua jeungngaran bapana. Kudu murwakanti engangawalna.

Mémang dina soal méré ngaran kaanak, kabiasaan urang Sunda umumnahenteu sarua jeung kabiasaan urang

Kanékés. Pa Rusdi jeung Ambu Rusdi ogéapan boga anakna téh satilu-tilu, euweuhanu murwakanti di bagian awalna. Anakkahiji ngaranna Ramlan, anak kaduaRusdi, jeung anu katilu Misnem. Saha aringaran Pa Rusdi anu sabenerna? Héséngabadé-badéna, sanajan kanyahoanngaran adina ogé, nyaéta Murdiam.Lamun murwakanti engang awalna mah,bisa Mursanip, Mursilam, atawa Murdani;ngan moal mungkin ari Murjangkungmah.

Méré sesebutan ka kolotna ku ngarananakna, mangrupa kabiasaan anu prah diTatar Sunda. Nepi ka kiwari éta téh. Contoleuleutikanana di antara ibu-ibu anu soknganteur anakna ka sakola, utamana mahdi Taman Kanak-kanak (TK). Téh Empurpamajikan Kang Kardi, boga anak Putri nusakola di TK Purwamedal; di kalangan ibu-ibu anu sarua sok nganteur budakna, taraieuh disebut Ibu Empur atawa Ibu Kardi,anu prahna mah sok disebut Mamah Putribaé.

Disebut Pa Rusdi jeung Ambu Rusdi,lantaran anu nyekel rol, anu boga lalakondina buku Rusdi jeung Misnem téh nyaétaRusdi. Ari Ramlan, ngahaja sina sakola kaBandung, kawasna mah sangkan bisanyaritakeun kaayaan Dayeuh Bandung.

Ambéh caritana henteu ngotok ngowo disabudeureun Walungan Cigedé, kota kaca-matan, jeung kontrak entéh. Ambéh jadipangjurung laku pikeun Rusdi supaya daékneruskeun sakola ka Bandung. Disebut PaRusdi jeung Ambu Rusdi ambéh aya “guratnatrat” jeung nu boga lalakon, sanajanhenteu saluyu jeung kabiasaan alam harita.Najan kitu, henteu salah-salah teuing,upama ngudag kana maksudna mah.Sesebutan Pa Rusdi jeung Ambu Rusdi,ngandung harti “bapana Rusdi” jeung “in-dungna Rusdi”.

Balik deui kana sual status sosial lurah

paréman atawa lurah hormat. Tétéla,bapa na Ujang Sumitra jeung Nyai Erumogé, dina buku bacaan Soember Aroem,lurah hormat. Ari dina buku TamanPamekar mah, karangan A. Sanusi jeungSamsudi, kalungguhan anu dianggap bisaka bala ka balé téh, di antarana mantripasar. Anu matak bapana Aman, Adé,jeung Isah mah kalungguhanana téhMantri Pasar Cicaléngka.

Imah Pa Rusdi henteu jauh ti Walu -ngan Cigedé. Malah saméméhna mahdeukeut pisan ka walungan téh. Pindahsotéh sabada imahna kabawa palid kucaah. Éta nandakeun, yén urang Sundahirup-huripna henteu bisa dijauhkeun tinacai. Upama rék nyieun imah, komo munrék ngadegkeun lembur anyar mah, anupangheulana jadi patokan téh nyaéta cai.Imah Pa Rusdi ogé kitu, sanajan radaanggang ti Walungan Cigedé, tapi teu jauhti imahna, kira-kira saratus léngkah ayasusukan. Hartina, angger baé teu bisa jauh-jauh ti cai. Éta sababna cenah ngaran tem-pat di Sunda mah loba anu dimimitian ku“ci-“ anu ngandung harti cai.

Saenyana mah di luar Sunda ogé lobangaran tempat anu dimimitian ku kecapanu ngandung harti “cai” téh. Di antaranabaé di urang aya Cibodas, di Bangka Beli-

tung jeung Rejanglebong (Bengkulu) ayaAir Putih, di Lampung aya Way Seputih, diBatang (Jawa Tengah) aya Banyuputih; diurang aya Cihideung, di Bangka Belitungaya Air Itam, di Jambi jeung KalimantanBarat aya Air Hitam; di urang aya Ciamis,di Sibolga (Sumut) aya Aék Manis, diJepara (Jateng) aya Banyumanis;Cikonéng di urang, jadi Yéh Kuning diJembrana (Bali), Banyukuning di Sema -rang (Jateng); Cidaun jadi Séi Daun diKalimantan; Cimanggu jadi Aék Manggisdi Mandailing Natal (Sumut). Aya SéiGaram (Ciuyah) di Kalimantan; Aék Bilah(Ciawi) di Sumatera Utara, jeung sajabana.Malah di Amerika ogé aya, Minnesota tinabasa Indian anu hartina sarua jeung Cibo-das. Pokona mah tempat anu dimimitan kukecap “minne” di Amrik, ngandung harti“cai” di urang.

Balik deui ka imah Pa Rusdi. Niténangambarna mah, imahna imah panggung.Hateupna potongan julang ngapak. Geusmaké kenténg, henteu maké injuk, daunkalapa, atawa kiray. Jaman harita mémanggeus loba imah anu hateupna ngaguna -keun kenténg. Pangpangna mah sabadaaya émbaran ti Bupati Bandung harita,Dalem R.A.A Martanagara, sangkan imah-imah anu aya di Dayeuh Bandung jeungsabudeureunana kudu ngagunakeun ken-téng pikeun hateupna. Tempat nyieun ken-téngna anu disebut lio, aya di wewengkonMerdika Lio kiwari. Ari lembur Pa Rusdi,apan kabawah ka Kabupatén Bandung.Jeung deuih, piraku wé lurah hormat hen-teu nyaho jeung henteu ngéstokeun kanaémbaran pangawulaanana.

Di lebah dapurna maké sorondoy.Pipindingna maké bilik, lanté imahnapapan. Adeganana potongan buka palayu,anu nyanghareup ka panjangna. Tepasnabolongor, ngahaja teu maké pipinding.Najan teu dicaritakeun kalawan jéntré,geus bisa dipastikeun di bagian jeroimahna téh aya patengahan, pangkéng,jeung goah. Geus puguh ari dapur mah.

Di hareupeun imahna aya pakarangananu dipelakan rupa-rupa kekembangan.Diwatesanan ku kikis, pager tina awi anudianyamkeun. Di pipir imahna aya sumur(kaasup jamban), saung lisung, jeung leuit.Ari di tukangeun imahna aya paranjé, kan-dang domba, jeung kandang munding anuperenahna rada jauh ti imah. Pakarangantukang imahna mangrupa kebon anudipelakan rupa-rupa tangkal bungbuahan.Pa Rusdi ogé kacaturkeun boga kuda,tutumpa kan anu kawilang penting haritamah. Ngan henteu kacaturkeun gedogan -ana. Bisa jadi éta kuda téh dikukut kusalasaurang badégana sarta gedogananahenteu jauh ti imah anu ngurusna. Anujelas, kaayaan padumukanana ogé geusngagambarkeun yén Pa Rusdi téh jelemajegud di lemburna mah. (hanca)

46

Saban usum langlayangan langitkatémbong pinuh ku rupa-rupapulas keretas, benangna nga-

garebay. Arémprak nu ngadu jeungnu moro langlayangan éléh (leupas).Saban aya lapang atawa lahan kosongteu weléh pinuh ku barudak nu nga-pungkeun langlayangan. Sok sanajannu maén langlayangan téh réréanabarudak, kolot ogé teu kurang-ku-rang anu resep ngadu langlayangan.

“Ngadu langlayangan mah hibu-ran bari olahraga, margi dina nariksadaya badan kagerakkeun,” ceukIndra, urang Soréang anu ngadon

Langlayangan GoblayNgalanglang Pakalangan

Asép Goblay, tukang nyieun langlayangan adu ti Kp. Blok Désa Banjaran (Dédé)

Langlayangan Goblay geusmakalangan nepi ka Jakarta (dédé)

47

ngadu lalanglayangan ka wewengkonBanjaran Kabupatén Bandung,

waktu tepung jeung Manglé sawatarawaktu nu kaliwat.

Langlayangan adu keur kolot mahbiasana béda jeung nu sok daparakéku barudak, lantaran kudu bener-bener genaheun ngapungna sartakesit diadukeunana. Nu dipaké lainlanglayangan buatan “pabrik”, tapinu dijieun husus ku ahlina ku geuspaham kana “karakter” langlayanganadueun. Adu kawéntar aluslanglayangan pikeun wilayahKabupa tén Bandung mah langlayan-gan “Si Goblay”, buatan Asép Goblay,urang Kampung Blok Désa-Banjaran.

“Ngadamel langlayangan kanggoadueun mah kedah rapih ngarautna,teu tiasa asal sapertos buatan pabrik.Ukuranana kedah pas sareng saim-bang,” ceuk Asép Goblay, ka Manglé.

Asép Goblay ogé nétélakeun,langlayangan buatanana bisadisebut keun geus ngalanglang kasaban pakalangan, lain saukur diwilayah Kabupatén Bandung

wungkul, tapi ogé nepi ka Bogor,Sukabumi, jeung Jakarta. Saban poé

Asép rata-ratanyieun limapuluh lang -layangan. Kitu -na téh barigeus ditung-guan ku lang-gananana.

“Malih sokaya nu ngan-

tosan langlayangan abdi dugi katabuh dua belas wengi,” pokna.

Tukang ngadu anu geus ara-paleun langlayangan Goblay, Asépngémbohan, tingtorojol paresen.Hanjakalna pesenan téh réa teukaladangan, lantaran nyieunlanglayangan adueun kolot mah hen-teu bisa dirurusuh kawas langlaya -ngan keur barudak. Asép ogé henteuboga asistén. Sabab can aya batur nubener-bener mahér ngaraut awi keurrarancang langlayangan Si Goblay.

Sok sanajan produksina kawates,nyieun langlayangan adu keur kolotuntungna kawilang lumayan, lan-taran ngaduna henteu kawengku kuusum kawas barudak. Nu penting ayalapang atawa aya pakalangan, nungadu pasti tingtorojol malah remenjarangjian heula. Mawa lang -layangan ana ogé téra saeutik, sakalingadu rata-rata mawa 50 nepi ka 100langlayangan.

“Langlayangan lima puluh dugi

ka saratus téh cekap kanggo ngadusadinteneun. Gelasananana soknyarandak dugi ka tilu kelos, soksanaos rata-rata nu dianggona ukurséép sakelos, nu dua kelos deui mahkanggo cadangan,” pokna.

Asép mimiti nyieun langlayangankira-kira taun salapan puluhan. Di -ajar sorangan tina conto langlaya -ngan nu geus aya, lain hasil guguruka batur. Langlayanganana mimitikapaké ku tukang ngadu sarta nelah

langlayangan Si Goblay dina taundua rébuan, waktu dibawa ka panga -duan langlayangan di wewengkonBuahbatu Bandung. Harita mahlanglayangan adu hargana opat ratussarta langlayangan keur barudak duaratus limah puluh rupia. Kiwariharga langlayangan adu geus dijualsarébu rupia, sedengkeun langlaya -ngan keur budak mah lima ratusrupia.

“Pangaos langlayangan mahsesah pisan ditaékeunana. Padahalabdi sering sesah milari bahanna,pangpangna awi. Awi nu saé di-anggo kanggo langlayangan biasanaawi tali nu bukuna paranjang,”pokna deui.

Nu ngalantarankeun langlaya -ngan buatan Asép nelah Si Goblay,ceuk Onél mah, tukang ngadulanglayangan di Kampung Blok Désa,alatan boga ciri ngagoblay. Lamunditarik, langlayangan Si Goblay nyiri-wik tur tangginas.***Dédé

Manglé 2450

Saban aya lahan teu weléh dimangpaatkeun keur ngadu langlayangan (dédé)

Nyieun langlayangan adu kudu rapih tur taliti (dédé)

48 Manglé 2450

Ceu Nonoy

Putra Ua BanagaraCarnyam Ku HD. Bastaman

Lain can aya tétén-joan kuring gé,malah barieukeun

loba teuing nu kataksir,ngan can aya baé nu copkana haté. Kumahageura, mun kuringnaksir, ituna nu ngacir,mun ituna neuteupgeugeut, kuringna nungareunteut. Malahlolobana mah “bang-bung ranggaék, itu em-bung kuringna nu daék”alias “cau ambondikora ngan” téa.Kasauran Ua Banagaraéstu ngahudang ka-panasaran. Sugan baéisuk dina walimah CeuNonoy kawénéhanmanggih “manuk ékékbeuki lémo, itu daékkuring komo”. Keuruplek ngobrol, jol TéhAtih nyampeurkeun.

“Punten Pah, Nonoyhoyong tepang sarengUjang” pokna ka rama -na.

“Na can tepung kitutadi?” Ua naros ka ku -ring.

“Teu acan, Ua, kabu-jeng ka masigit” walonkuring méméh nu-turkeun Téh Atih ka

jero.Di tengah bumi ngan

aya tiluan ibu-ibu nu teuwawuh keur nyieunmanglé kembang malati.Ema, Ua Istri jeungtétéh-tétéh nu tadi cara-lik di dinya teu nyam-pak. Kuring géleungiteun Téh Atih,duka ka kamer manaasupna, da aya sawatarakamer sabudereun te -ngah imah nu ublug-ablag. Basa keurngajanteng bingung,blak panto hiji kamermuka, lol Téh Atih. “Kadieu, Ujang” pokna baringisaratan ku gupay.

Bari rada asa-asa supkuring ka hiji kamer nurada lega disaputalketip. Kasampak ayaCeu Nonoy calik naalketip gédéngeun UaIstri, diriung ku raka-

rakana jeung ema. Dijero ukur aya dipandikasuran maké seprébodas, méja kerja, korsijeung dua rak lomaripinuh ku buku. Kaciriaya korsi roda di juruteu jauh ti nu caralik. TiTéh Atih meunang béjayén éta téh kamer studiCeu Nonoy.

Ceu Nonoy mah saurema sanajan kaayaansalirana kitu diajar mahteu eureun. “Sakolana”di bumi dibimbing kuguru-guru privat nepi kabisa milu ujian SMPjeung SMA. “Peunteun -na gé pangalusna sa-Ciamis” saur ema. Ujianekstranéy harita mahdisebutna pikeun siswanu lain murid sakolaformal. “Home school-ing” ayeuna mah. Cita-citana palay jadi dokter

teu laksana sabab kape-gat ku kondisina nu se -ring teu damangan.Turug-turug kuliahnakudu di Bandung atawadi Jakarta jauh ti sepuh.Alhamdulillah sanajanteu laksana jadi dokter,ayeuna ngajodo kainter nis, dokter spésialispenyakit dalam urangSumedang nu ditem-patkeun di RS UmumCiamis.

“Ujang ieu téh?” CeuNonoy ngabagéakeunbasa kuring nyolong -krong munjungan.

“Asa jadi kasép, euy.Jeung teu siga urangPadahérang deuih”saurna gumujeng barinepakan taktak kuringsanggeus réngsémunjungan.

Soantenna béar,jajau heun tina sora

3

Manglé 2450 49

jalma nu minder pédahkagungan cacad. Saréré-tan gé kaciri nu ceuksangkaan salirana ram -ping ngajangjawingbuukna cerewingawahing sering geringkabéh nyalahan. Leungitdeuih saharita bayangancawéné begang makébaju haneut dibakutetsyal ngalong tinajandéla melong bangunkabita ningal kuringjeung lanceukna sesepé-dahan. Nu nyampakjenggléngan istri lenjangsingset padet ngareusi,rambut gomplok hide-ung meles disang-gulkeun, soca cureuleukjeung bulu soca panjangcarentik. Atuh mungumu jeng “liang undur-undur” kénca katuhungahiasaan rarayna nuayu bangun cahyaan.Da kitu cenah nu rék di-panganténkeun mah sokkaluar cahaya. Benersaur ema, Ceu Nonoypangméncrangna di-antara raka-raka nugareulis maranis.Sajorélat muncul piki-ran “hanjakal baréto teukaabsén” basa emajeung Ua Istri palaybébésanan. Kahayangngaco éta mah. Tapikeukeuh panasaranhayang terang sigakumaha picarogéeunmojang nu sakitu mén-crang teh. Sanggeustataros sakeudeung, CeuNonoy sasauran kieu.

“Jang, basa ngupingaya Ujang ka dieunyarengan Bibi, ceuceuboga ide. Kahayangatuh. Nyaéta mun isukceuceu keur disawér,Ujang nu kudumayungan ana. Kumahasanggup?”.

“Mangga Ceu, InsyaAllah sanggem” kuringhaget ngajawab.

“Sukur atuh” saurCeu Nonoy, “Terus-terang, Jang, tadi téhceuceu nimbang-nim-bang heula naha pantesUjang mayungan ceuceudisawér. Tapi sanggeusningal tampilan Ujang,ceuceu ayeuna teu asa-asa deui” saurna barigumujeng. Terasngarérét ka ema,

“Kumaha tos ayapiman tueun, Bi?”.

“Nyaéta, NéngNonoy, teu payu baé siUjang téh” waler emabari gumujeng.

“Naha manéh téhUjang kasép-kasép makéteu becus mikat mo-

jang?” saurna malikmentog ka kuring.

Geura éta kasaurannu lugas, béar gumbiratur humoristis nanda -keun taya pangaruhnakondisi salirana nucacad kana jiwana. Étakabéh kawasna hasilatikan kulawarga numéré sumanget jeungngarojong antebnakapercayaan dirianjeun na. Harita dikamer studi Ceu Nonoykuring béak jadi bahangogonjakan ibu-ibu.

Poé Minggu isuk-isukkuring mah miheulaanindit ka Banagara lan-taran cenah kududidang danan heulamaké bendo dijas takwa.Mawa calana coklat

deuih, da kitu dipapado-nan kamari. Kabeneranmawa. Ema mah rék di-candak ku Ceu Énah nuengké nyampeur kaCiamis. Mupakatnasanggeus kumpulsadudulur katut kula -warga Bi ‘Ai bringsaréréa bareng ka Bana-gara.

Di bumi Ua kasam-pak geus sagala bérés.Ténda nu kamari geusdipasang ayeuna geusdihias tihang-tihangnaku daun caringin, malahlawangna mah kéncakatuhu digantungan cauasak dua turuy jeungkalapa manggarandisela pan rupa-rupabubuahan tinggarantungdiantara hiasan dauncaringin. Méja korsikeur walimah jeungkorsi-korsi keur kula -warga pipanganténeungeus beres. Kitu deuiméja keur buku tamugeus tarapti, atuh buru -an panyawéran keurupa cara nyawér geuslening. Beulah kénca ayapanggung degung nunarabeuhna geuslengkep. Kabéh mojangkajaba juru sulingnaaki-aki nu geus kemongpipina, kawasna balasaya taunna niupan su -ling. Nu keur nyoba mikpaselang jeung soratuat-tuit lantaran canpas frékuénsina kadéngé“tés, tés, tés, satu, dua,tiga” sabaraha kali. Ayaku teu kréatip, di mana-mana ari nyoba mik téhkitu baé kekecapanana“tés, tés, tés, satu, dua,tiga”. Matak naon mun“kadéngé euy soradéwék?” da moal aya numalédogan ieuh.(hanca)

Geura éta kasauran

nu lugas, béar gumbira

tur humoristis nandakeun

taya pangaruhna kondisi

salirana nu cacad kana

jiwana. Éta kabéh

kawasna hasil atikan

kulawarga nu méré

sumanget jeung ngarojong

antebna kapercayaan

diri anjeunna. Harita di

kamer studi Ceu Nonoy

kuring béak jadi

bahan gogonjakan

ibu-ibu.

Carita ieu karandapan dinamangsa taun-taun katukang. Harita kuring tas

ngendong di Uwa, kulantaran ayahalangan arék balik ogé kaburitan.Wanci magrib masih aya kénéh didésa Bengkok, lelewek kacamatanSalopa, Tasik. Mangkaning isukSenén kudu geus aya di Tasik,kumaha yeuh akalna? Ari sora -ngan teu ludeung, rék ngajak, nga-jak saha ... Teu lila Uwangusahakeun aya cenah opatan,barudak bagian ronda. Nya teu lilati harita kabéh opatan dibérésarébu séwang, itung-itung buruhmaturanana téh tepi ka Cinyo -mang satengah perjalanan jauh kaditu ka dieu.

Kacaritakeun, bral baé miangsajajalan gogonjakan hareureuybaé. Malum budak ngora,nepikeun teu karasa udud ogégeus béak sabungkus. Mangkaningpersediaan jang di jalan kari duabungkus deui, pas nu ngajajap-keun mah geus mulang deui.Harita kuring ngan mekel batréleutik, ngaludeung-ludeungkeunmanéh baé da haté mah radahumar-hemir.

Sajajalan ngelepus baé ududtamba sieun. Lamun aya batur sa-jalan, meureun reugreug. Hayohbaé kitu mangkaning ceuk béjamah rada angker lebah rungkunkiara saentas Cinyomang téh.

Duka ti mana jolna, ujug-ujugaya nu ngageroan: Jang antosan!Ke ... sareng Emang, sorana siganu salésma. Nya didagoan heulada kaciri reyem-reyem tukangeun.Ari bréh téh tukang Iauk mani hah... héh ... hoh ... capé meureun,haté kuring harita rada reugreugpanggih jeung batur. Ari Emangbadé ka mana? Nu ditanya ném-balan, "Puguh Emang téh badé kaSalopa, ari Ujang badé ka mana?"malik nanya.

"Puguh Mang abdi oge samibade ka Salopa."

"Ari kitu mah sajurusan,sareng baé sareng Emang ambéhteu keueung."

Ti harita mah uplek baé ngob-rol silih tanya jeung sajabana, tapiari ditawaran udud embungeunbaé majarkeun téh sok batuk,jeung sok mandeurikeun manéhbaé leumpangna téh. Dititah tiheula téh majarkeun Emang mahitung-itung ngajaga Ujang pokna.

Perjalanan méh teu karasa,nurug tug ... da rada mudun mehtepi ka Bakanwaru tinggalméakkeun kontrak karet. Pas dinapengkolan ... bulu punduk asatingpuringkak ... ruy rey ... asatariris. Tamba sieung Si Emang kukuring dibawa ngobrol asa keu -eung-keueung teuing nya Mang?Tapi weléh éta tukang lauk téh teunembalan baé nya dilieuk ka

tukang, na atuh ... bet euweuh ...Rey bulu punduk.

Pelenghir bau bugang ... Teuantaparah deui deregdeg lumpatsakalumpat-lampet titatarajong géteu dirasa, nu penting téréh nepika kam pung Bakanwaru.

Hadéna harita aya kénéhwarung nu muka kénéh diliud kunu ngaronda, teu antaparah deuisatengah meubeut keun awak.Ngambekan teu ka ampeuh ... leswé kuring teu inget di bumi alam.

Lilir-lilir bet geus padangarubung-rubung padanyeuceuhan ... kuring rarat-rérét... bari gegebegan.

Terus aya hiji kolot anu radawawuh ... nanya: "Aya naon ieutéh Jang mani asa rareuwas ... di-udag bangsat?"

"Sanes Pa ... Puguh abdi téhpendak sareng taeun," kuring teuneruskeun deui dongéngmaranéhna geus surtieun, dalebah éta mah rada angker.

Tungtungna mah ku nungaronda pada ngajajapkeun kaSalopa da kari sabaraha kilometerdeui. Ari pok téh ceuk nu ngan-teur, "Panginten éta mah Jang ...étang-étang ngabaturan baé. Un-tung teu nyingsieunan ogé."

Ari inget ka dinya iy ... amit ...amit, jaba tuur mah mani daring -las jaba nyanyautan.

***

50 Manglé 2450

Dibaturan­JurigKu Asep D Nurhaman

Ngabeberik Lauk DuyungKacaritakeun Bapa Lasino jeung Lasudi,

anakna, rek molo (ngala lauk bari teuleum )di sagara. Memeh ancrub ka sagara, bapanamere amanat heula ka nu jadi anakna; yenlamun tambang nu ditalikeun kana kanacangkeng bapana dikenyed-kenyed, etatanda na bapa maish aya keneh di dasarlautnu pangjerona jeung acan beubeunangan.

“Di…, Ieu tambang cekelan ku nyanehdi dieu..Engke lamun ieu tambang dikenyed-kenyed, hartina bapa masih aya keneh di-handap jeung nandakeun canbeubeunangan..” ceuk bapa Lasino mereamanat ka anakna bari nyanggreudkeuntambang kana cangkengna. “Oke Boss…tem-bal anakna bari nalikeun tambang kanapigeulangna.

Sawatara bapana teuleum, di itung-itungaya kana limakalina Udi meunang tandakerenyed-kerenyed ti bapana; nu hartina ayakeneh dikieuna di jero sagara jeung canbeubeunangan. Tapi nu ngerenyed sakalimah, meh bae Udi kabetot ka laut bakatingku tarik. Udi oge teu ngartieun naonmaksud na ari tanda tambang anu dibetotsakitu tarikna; da ari amanat anu ti bapanamah ngan ukur dikenyed-kenyed wungkul

Sanggeus sawatara lilana tambang teheuweuh ngerenyed deui, hate Udi ngarasateu genah jeung boga pikiran goreng. “Boa-boa bapa teh …?” gerentes Udi bari raratreret ka tengah sagara jeung ka basisir.Panasaran talina ditarik lalaunan; tapi betasa hampang pisan jeung euweuh balesan -ana. Lila-lila diulur weh sakalian nepikatungtung tambangna kaluar. “Naha bapateh terus kamana nya..?” Udi ngagerentesdeui bari neuteup kana tungtung can-greudan tambang tea. Ret ka basisirdigigireun ana, lieuk ka tengah laut anu saki -tu upluk-aplakna; sugan jeung sugan ayabapa keur angkleung-angkleungan, tapiweleh teu ningali nanaon. Ras maanehnainget tilu minggu katukang aya layon di -basisir ngan kantun awakna wungkul.Sukuna kantun sabeulah, komo leungeunmah mani sapat nepi ka taktak teu nyesasaeutik-eutik acan. Cenah disantok lauk hiubasa keur molo. “Euh..boa-boa bapa oge…?”Udi teu wasa neruskeun gerentesna dakaburu ngagoak satakerna bari lumpat deukngabejaan indungna. “Mamah…bapa di-hakan hiu…bapa leungit disogot hiu…!!!???”.Puguh bae mani ibur salelembur majar paSino digimbung hiu nepi kaaledis teu disesa -keun saeutik-eutik acan.

Sanggeus aya kana tilubulanana kaaja-dian ti harita, aya telepon disada. Ari nunarima , pas indungna si UDI. “halow ….wilujeng enjing..wilujeng wayahkieu …ieutisaha..bade nyarios sareng saha..aya nuperlu dibantos..?” Indung Udi narima tele-

pon mani nyoroscos; capetang kacida.Bubuhan atuh ari indungna Udi tehpangsiu nan ti kantor kacamatan MantanKepala Bagian Pentilcakot alias Penjaga tal-ipon Kacamatan Kota. Nu matak capetangjeung pertentang oge da mungguhing geusbiasa tea.

“Halow mamih.., ieu ti papihna si Udi …ti A’a Lasino, BSc …salaki nyaneh di Jakarta.Geuwat kirim tiket pesawat kadieu..kaJakarta.. bapa geus hayang balik yeuh..!!”ceuk sora jawaban na talipon teh. Sarua bapaLasino oge, nelepona mani gurunggusuh .Meureun bakat ku bungah dumeh teleponti manehna ditarima langsung ku nu jantenbojona. Eta oge sarua; ngaran manehnangatik ditambah-tambah gelar BSc,sagalarupa; padahal sakola Esempe oge teutamat-tamat acan. Ari ditanyakeun tehBSc.na cenah singgetan tina Bekas SupirCamat.”ieu mah ngarah pede we..” pokna tehdeuih. “Haar..ari bapa.., kapan bapa teh tosmaot disogot hiu lin..Naha make jig-jig kaJakarta sagala..? ceuk pamajikanana ngarasaheran jeung mangmang pacampur jeungatoh pedah papihna si Udi masih aya dikieu -na jaba aya di Jakarta deuih. “Ayeuna mahkirim tiket bae buru-buru ka dieu..engkedongengna mah ari kami geus datang dilembur..Buruan nya..kami geus hayangtaeun…!” ceuk bapa Udi bari nutupkeuntelepon da sieun kapapanjangan nyarita.Geus eces nu nelepon teh bapana Udi,manehna indit mani rurusuhan deuk meulitiket Garuda ka dayeuh. Pagetona bapaLasino keur dirariung ku anak pamajikansakulawedet jeung tatangga nu harayangeunapal kana pangalaman pa Sino. Pa Sinonyaritakeun pangalamanana basangabeberik laukduyung nepi ka tanjung -pariuk di Jakarta.

Endang S Suhandanie Jayapura

Cai UyahTeuing kumaha mimitina jeung duka ti

mana meunangna, ujug-ujug kadenge ba-baturan di dapur ribut kawas aya nudiparebut keun. Waktu disampeurkeunhoregn keur ngadalahar danas. Painganribut da aya dahareun. Teu sato teu manusa,teu kolot teu budak ari manggih parab mahsok ribut, campur jeung sieun beakeun.

Keur panas poe ngadahar danas asakdibaluran ku uyah puguh bae segerkarasana. Danas tilu huklu nu lumayangedena ngan sababaraha menit bae, lediskari urutna. Cangkangna balatak na tembok.Teu aneh kituna mah da puguh opatan lalakiwungkul, bari keur meareumeuhjeuhna ahlileleb.

Si Karim nu karek hol, nenjo babaturan -

ana ceplak teh buru-buru nyampeurkeun.Nenjo piring geus kosong kadenge manehnakutuk gendeng ... teu didarenge ieuh.

“Lumayan...!” cenah bari ngarongkongpiring nu loba cai danasan, suruput diinumdisakalikeun.

“Oooooo...!” Si KArim ongkek. Cai danasdiutahkeun deui, bareng jeung eusi peujit nulianna. Sarerea bengong, teu ngarti... jeungteu nyaho sabab musababna.

Sanggeus cageur kakara Si Karim padananya. Manehna balaka, cenah basa nginumcai danas, karasana pait mani pangset. Teukarasa cenah manehna sebel, nu antuknanepi ka utah.

Kakara inget... enya tadi teh karasadanas asin loba teuing nguyahan tayohnamah. Karunya ka Si Karim bae kariripuhan,jaba kudu meresihan utahna da batur maheuweuh nu daraekeun.

Nana R – Bandung

Turun di Keras Pa!!Taun 1959, kuring mangkat ti Madiun

rék ka Ngawi. Palebah kuloneun jambatanMangunharjo aya jalma nyetop, rék milunumpang kana mobil meureun, da mémangharita mah can aya Colt jeung masih kénéhlangka bis atawa taksi ogé.

Jeung kabeneran propesi kuring haritatéh nya éta jadi pilot darat alias supir treuk.Mobil ku kuring dieureunkeun, sipenumpang terus naék diuk sagigireun ku -ring, jadi tiluan jeung kenek.

Kira-kira geus aya kana 12 kilometernaperjalanan teh, si penumpang ngomong kakuring: "Pak keras Pak!"

Kuring ngajawab: “Oh, iya, bari gas téhku kuring rada didedetkeun ku suku, mobilogé rada gancang lumpatna.

Tapi si penumpang téh ngomong deui kakuring: "Pak keras Pak!"

"Iya ini juga kan sudah agak keraslarinya!" cék kuring. Kawasna waé sipenumpang téh can ngartieun yén pédalgasna geus didedetkeun deui.

Naha da éta mah jalma geus ngomongdeui: "Pak keras Pak!!" Kuring rada panas,asa dipermaénkeun ku si penumpang.

"Ini kan sudah keras sekali, coba lihatnih—pedal gasnya saja sudah nancap, maukecepatan berapa lagi hah?!!"

Ahirna si penumpang teh ngomongdeui: "Maaf Pak —maksud saya mau turundi sini— di desa Keras." pokna.

Mobil ku kuring direm dieureunkeun,tuluy si panumpang teh turun.

Kuring jeung kenek oge olohok, barinahan ambek jeung pikaseurieun. Ma'lumsupir jeung kenekna sarua teu apal kanatempat nu dituju, sabab sarua padangumbara na.

Sihoreng teh maksudna si panumpangmenta turun di desa Keras.

Iskandar ZulkarnaenJl. Wiyatasari 1 - Rejomulyo - Madiun

Manglé 2450 51

Sakti+ "Sangkilang jaman geusmodéren aya kénéh nya nusakti?"- "Sakti kumaha?"+ "Heueuh geus paéh hirupdeui."- "Wah, nu bener?"+ "Sing demi uing mah.Geura, jam genep isuk-isukmaot, jam tujuh hirup deui.Teu kungsi lila kelepek deuipaéh, hirup-hirup deuitabuh opat soré!"+ "Saha?"- "Listrik PLN!"+ "Si gejul, lain sakti étamah, pikasebeleun!"

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

BatikArdi: “Weleh sapasar diSoreang diubek, teu mang-gih hiji-hiji acan.”Gege: “Nya neangan naonatuh ari Akang?”Ardi: “Eta neangan bajuBATIK POLOS keur kaonda ngan Si Opik!”

Evi Fuji FauziyahBatukarut RT 02/06

Pasir Jambu – SoreangKab. Bandung

HitarUdi : "Uing boga hitar anyarmérekna yamaha!"Dodo : "Uing gé boga, saruaanyar."Udi : "Mérek naon?"Dodo : "Honda."

Army AfriantyJl. Bima No. 12

HilapGuru : “Naon hartina for-get?”Ading : “Hilap bu!”Guru : “Aah…! Bener-benermanéh mah, bodo téhdibéakeun ku sora ngan,matak kudu loba ngapalkeungé. Kahareuuup!”Ading : “Haaar!”

Army AfriantyJl. Bima No. 12

Hayang BodasArdi: “Aing mah geusngasaan rupa-rupa maskerteh meuni asa euweuhkarasana kana beungeut,angger wae hideung!”Epoy: “Emang maneh mak-ena dikumaha?”Ardi: “Biasa wae, ditaplok -keun kana beungeut!”Epoy: “Paingan atuh,kuduna hayang bodas mahdahar eta masker ponds-nakabeh, dijamin bodassaawak-awak.”

Evi Fuji FauziyahBatukarut RT 02/06Pasir Jambu – SoreangKab. Bandung

MarabanBudak : “Keur naon, Pa?”Bapa : “Pan kaciri ku Ujang,Apa mah keur marabandomba..”Budak : “Ah.. bohong si Bapamah, lain maraban dombaatuh!”Bapa : “Naon Atuh?”Budak : “Tapi jukut keurdibikeun ka domba.”Bapa : “Didagor geura!!!Sarua éta-éta kénéh…”

Uton WaluyaLeuwi Gajah No. 167

RangselOpik rek ngilu balik ka lem-bur Ardi di Gekbrong. Ardipahibut ngabus-ngabuskeunbaju butut nu aya di kosan,nepi ka sepre jeung andukbelel oge diabus keun.Opik: “Ardi, nanaonan etamaneh ngabuskeun bajubutut kana ransel?”Ardi: “Rek balik ka lembur,meh katempo keren kuurang lembur. Kaciri reababawaan ti Bandung!”Opik: “Kumaha mawana etarangsel sakitu satangtung

jelema?”Ardi: “Pan maneh nungakodna!”

Evi Fuji FauziyahBatukarut RT 02/06

Pasir Jambu – SoreangKab. Bandung

BehelImut: “Mang Koko, naha nyaSi Teteh Ema mah unggal kadieu huntuna hejo wae.”Koko: “Kumaha kitu Mut?”Imut: “Pedah unggal seuriteh katempo huntuna hejo,nuangan jukut kitu?”Koko: “Nu kitu teh ngarannabehel imut. Teu gaul manehmah.”

Koko KomarudinJl. Cihanjuang Wetan 233

Ciharegem – Bandung

Obrolan BudakGeulang: “A, urang udunanyu, meuli mobil toyota.”Sueng: “Hayu!”Geulang: “Geulang boga duitopat rebu, Aa boga duitsabaraha?”Sueng: “Aya tujuh rebumah.”Geulang: “Enya A, lumayanbae sesana mah cenah siTeteh nu mangmayar keun.”

Koko KomarudinJl. Cihanjuang Wetan 233

Ciharegem – Bandung

Teu Genah“Enya geuning teu genah!”“Naon tea?”“Eta sare di WC!”

Koko KomarudinJl. Cihanjuang Wetan 233

Ciharegem – Bandung

BanDeden: “Teh urang hereuyanyu si Emang eta.” Bari mel-ong ka bapa-bapa nu makejaket kulit sarua mawamotor, keur nungguanlampu merah oge.Kuring: “Pek, kuma dinya!”Deden: “Mang, eta kade bantingal.”Mang Jaket Kulit: “Naha ku-naon kitu jang?”

Deden: “muhun eta ban-nakade muter.”Biur teh motor pun adingabiung da lampu merahgeus warna hejo. Si emangngahuleng ningalian ban.

Evi Fuji FauziyahBatukarut RT 02/06

Pasir Jambu – SoreangKab. Bandung

Heheotan“Geuning heheotan jalmabeunghar jeung nu malaratsiga maneh mah aya beda -na.”“Ah, naon bedana. Saruawae ngaheot mah rek nu be-unghar nu miskin oge.”“His puguh aya. Heheotannu beunghar mah seungit,sedeng silaing mah baujengkol!”

Koko KomarudinJl. Cihanjuang Wetan 233

Ciharegem – Bandung

Sales, MaMa Acih: “Sukur Ujang arigeus meunang gawé mah.Kana naon gawé téh?”Ujang: “Janten sales..., Ma.”Ma Acih: “Ari Ujang kumahamimitina? Gawé naon atuhmaké jeung jadi salésmasagala?”

Uus RukasahJl. Ry Cicalengka KM 24

Kab. Bandung

Paling SarakahAlo: “Mang, Alo boga taruc-ing. Sato naon cing anu pal-ing sarakah?”Emang: “ Ceuk Emang mahbeurit. Dahareun ti mimitilauk, sangu, endog, kitu deuibungbuahan dihakan. Malahka kai-kai diségétan.”Alo: “Éta mah Mang, cansabaraha. Aya anu leuwihsarakah.”Emang: “Naon?”Alo: “Kuda!”Emang: “Naha kuda?”Alo: “Yeuh Mang,singhoréng lain jukut waéanu sok dihakan ku kudamah. Kuncung, bénténg,budak, mantri. Malah kuda

52 Manglé 2450

ogé sok dihakan!”Emang: “Dasar tukang maéncatur.”

Uus RukasahJl. Ry Cicalengka KM 24

Kab. Bandung

Ku HapéWartawan: “Leres Aki téhtiasa ngadangu sora anutebihna ratusan kilométer?”Aki: “Leres pisan Ujang.”Wartawan: “Kumaha éta téhKi, carana?”Aki: “Ah tinggal nelepon wéka Si Nyai anu di Sumatramaké hapé. Kadangu geurasora Si Nyai téh”

Kusda GunawanGang Aman 13

Jl. Gunung Sabeulah Tasikmalaya

Aturan SoranganNu ngadata: “Punten, ariputra téh sabaraha urang?”Si Bapa: “Ah dua wé. Bapamah taat kana aturan pa-maréntah.”Nu ngadata: “Ari istri?”Si Bapa: “Sami istri gé dua.”Nu ngadata: “Ari éta aturansaha?”Si Bapa: “Éta mah aturansim kuring nyalira.”Nu ngadata: “Murangkalihdua téh ti dua istri?”Si Bapa: “Ih sanés. Ti duaistri mah janten opat atuh.”

Uus RukasahJl. Ry Cicalengka KM 24

Kab. Bandung

Ka JakartaHayam: "Angkat ka manaDak, ngagaya?"Badak: "Ka Jakarta, Yam."Hayam: "Aya maksad apa kaJakarta?"Badak: "Ngawarah para pa-jabat yang ngagasab hartanagara. Saya akan katakanpadanya, jangan tampakkanraray marahmay saat parawartawan tatanya."Hayam: "Sabab?"Badak: "Sabab jalma-jalmanyacampah, katanya raraybadak, raray badak, taya ka-hanjakal dan ngarasa salah.

Nyata tah ngaran sayahkababawa. Nyaan, haramjadah tah jalma!"

Féndy Sy. CitrawargaBandung

BelegugIncuna: “Ki, ari tolombonggedé disebutna naon?”Akina: “Telebug!”Incuna: “Ari bueuk gedé?”Akina: “Di sababaraha tem-pat mah sok disebutna téh...legug!”Incuna: “Ari nu boga hutanggedé siga Si Ema?”Akina: “Tah eta mah ...belegug!”

Kusda GunawanGang Aman 13

Jl. Gunung Sabeulah Tasikmalaya

Bulan BéntangIcih : “A, upami icih jantenbulan, aa keresa janten bin-tangna?Ibro : “Keresa atuh!” (Atoh)Icih : “Sok atuh nyingkah149,680,000 km ti abdi.”Ibro colohok….

Obar SobarsaJl. Astana Anyar No. 90

BécaUjang : “Mang! Ka hotelsabaraha?” T. beca : “LImarebu mas.” Ujang : “Pami sareung tasatanapi koper sabaraha?” T. beca : “Tas sareng kopermah gratis…” Ujang : “Nya pami kitu mah,candak yeuh tas sarengkoperna hungkul, wios abdipapah…”

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

PapatahCeuk kolot : Lalaki sajatimah pantrang kudu nginumkiranti...

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Sarua OonnaNono : “Bro, uing nginjeum

duit lah, tilu ratus rébu mah,hayang taun baruan kaancol.”Ibro : “Euweuh sakitu mahaya gé saratus rébu édék?”Nono : “Nya, baélah! Ber artiilaing hutang ka déwék duaratus rébu deui nya, iraharék mayarna?”Ibro : “Isukan lah…”

Dadan FirmansyahSasak Gantung No. 178

DiintrogasiGuru : “Naha geus saminggubolos waé sakola téh?”Oding : “Pan hujan.”Guru : “Terus mun hujan nasabulan, manéh dékkumaha? Naha moal sakolasabulan.”Oding : “Nya nu pasti mahbanjir atuh bu, ning bodoIbu mah jadi guru téh.”

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

KarunyaOon : “Mang, sanguna ayakénéh?”T. sangu :Aya!”Oon : “Deungeunna aya?”T. Sangu :Aya!”Oon : “Karunya euy, teu

payu! Xixixi…”

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

Taun baruAni : “Naon nu rék di-lakukeun taun baru ayeu naku Aa?”Aa : “Rék ngaganti kalenderku nu anyar! Sabab geus sa-puluh taun can ganti kalen-der!”

Novian PratamaJl. Kopo No. 142

HanasOdo: "Hanas geus atoh rékkawin jeung nu geulis, malahgeus nyayagikeun uleman.Ari pék....."Adi: "Ari pék kumaha, Do?"Odo: "Ari pék dibedokeun."Adi: "Kumaha atuh?"Odo: "Ah, teu kukumaha nyalangsung wé maéhanmanéh."Adi: "Haaar, geuning belegerkénéh?"Odo: "Nyaéta ari sugan uingnu dilekik téh baygon, man-ahoréng bajigur!"

Féndy Sy. CitrawargaBandung

Ganti Taun Muga Nambih KabingahanNgahaja dijudulan kieu. Ieu wawaran téh dikotrétna din-

ten Senén, poé pamungkas taun 1434 H. Enjingna dintenSalasa poé munggaran taun 1435 H. Manawi sareng manawingiring uar pangajak ka balaréa kanggo mapag taun anyartarih Islam nyaéta Tarih Hijriah. Mangga urang papag kusjukur ka Alloh Swt. anu salawasna ngamparkeun ni’mat kaurang sadaya.

Kantenan ka nu kénging panyecep ti Bapa Dadang Mula -na,M.Si, Dékan FKIP Unpas, mangga geura syukuran kukarancagéan nyerat HAHAHA. Iwal ti kénging panyecep, kucara kieu urang tiasa silaturahmi ka balaréa sareng tiasatukeur pangalaman. Sanaos dina wangun HAHAHA, urangtiasa seueur kénging luang anu sabéngbatan mahpikaseurieun, tapi ana diémutan bisa jadi luang bekel hirupkumbuh sadidinten. Geura mangga araos deui Hahaha dinaManglé nu gelar sasih Oktober 2013, no. 2444 – 2447 marun-del, lalucu, sareng seueur nu ngajak mikir.

Di antara nu kitu téh, anu kénging panyecep Rp125.000,00 (Saratus Dua Puluh Lima Rébu Rupiah) nyaéta“Perkara Getih” dina no 2444 kénging Ari Andriyansyah,“Carita Heubeul” dina no 2445 kénging Ila Karmila,Jl.Wastukancana 89, Bandung, katiluna “Tanyakeun” dina no.2446, kénging Fitra Muhammad – Sumedang. Nyanggakeun,mugi tambah kreatif!

Manglé 2450 53

54 Manglé 2450

Kumaha kaayaan masarakat,naon wae nu kajadian dimasarakat, nya tangtuna oge

camat nu pangheulana teranggekgekanana. Tah, eta sababna numatak camat bisa disebut “mata dantelinga” walikota atawa bupati. Me-mang, aya lurah, tapi apan nu ngo -ordinasikeunana camat. Ana kitu,camat kaasup pajabat nu pangdeukeut -na ka “akar rumput” masarakat,pangapal na kana “keluh kesah”masarakat.

Nu matak sok ngarasa helok, munmanggihan jalan-jalan geuning ruksak,trotoar renjul, solokan, gorong-gorongmengpet, runtah pating talam -bru.Tatangkalan oge can walatra rajegsaban sisi jalan. Taman jeung tanah la-pang sakitu saeutikna.Atuh usumhalodo, panas sakitu mentrang-mentring na. Mun usum hujan, banjirlimpas ka mana-mana. Ka mana atuhPa Camat? Naha kaayaan kitu henteuditalingakeun tuluy dilaporkeun kasaban Kapala Dinas?

Jelegur berita TV ngawartakeunaya pausahaan nu ngakaya paraburuh na, malah ngagawekeun baru-dak leutik deuih. Naha hal kitu henteukanyahoan ti awalna? Kitu deui,kajadi an riributan pacogreganpangeusi hiji kampung jeung kam-pung sejenna. Ku naon hal kitu remenkajadian? Tangtuna oge masarakatnakurang gawe, alias ngaligeuh numatak kabawa ku sakaba-kaba. Damun cekel gawe mah keur naonngaributkeun hal-hal nu teu pira. PaCamat baruk ka mana?

Kitu deui nedunan pangabutuhmasarakat sejenna. Upamana waeatikan jeung hiburan. Coba geura dimana masarakat meunang hiburansaperti lalajo pagelaran? Panggungkasenian paling-paling sataun sakali,saban 17 Agustusan wungkul. Diwaktu sejenna mah lebeng teu aya

lalajoaneun, nu matak kaharti munbarudak leutik sakitu hagetna lalajotopeng monyet! Da eta lalajoaneun nuaya. Pimanaeun masarakat kelasbawah lalajo pagelaran konser Kris-

dayanti di gedong Sabuga, ITB?Atikan keur masarakat mana? Pa -

ling-paling ngabandungan TV nu saki -tu kaayaanana. Pabukon nunyadiakeun buku-buku bacaan mana?Leuheung taun 50an, geuning haritamah aya emang-emang mawa tang-gungan buku bacaan basa Sundasewakeu neun.

Mekanisme laporanNaon wae masalah nu karandapan

ku masarakat, atikan, kaamanan,kasehatan, karaharjaan, kabudayaanjeung widang sejenna, tangtusakuduna kanyahoan ku aparatkacama tan. Nu perlu dipapaykeun,naha hal bieu teh dilaporkeun henteuka walikota atawa bupati? Tah, lebahdieu, perlu diroris, naha geus ayamekanisme paranti nepikeun laporan -ana?Naha aya rapat koordinasi,upama na, antara walikota atawa bu-pati jeung para camat? Malah sakalianoge jeung kapala dinas? Tapi, kumaha“hubungan kerja” antara kapala dinas

jeung para camat? Naha aya koordi-nasi atawa masing-masing wae? Pada-hal, kapala dinas di saban sektorkagiatan ( kasehatan, atikan, per-hubungan, kabudayaan, pariwisatajeung nu sejenna) pohara merlukeun -ana bantuan kacamatan kulantaranpajabat kacamatan saban waktu aya ditengah masarakat.

Tah, kaayaan struktur pamarenta-han saperti kitu pohara nangtukeun -ana hasil henteuna kagiatanpamarentahan. Nu matak teu aneh,mun Gubernur DKI Jakarta Djoko Wipohara mentingkeunana pancenkacama tan. Dibelaan geuningngayakeun gebragan lelang jabatanpara camat! Cirining jabatan camatpohara strategisna enggoningngayakeun parobahan. Nu matak ka-harti mun saban tilu bulan sakali di-ayakeun evaluasi kagiatan kacamatan.

Figur CamatTangtu wae, pajabat nu

pangheulana kudu boga sikep “merak -yat” teh camat, kulantaran camat nupangdeukeutna ka rahayat. Lian ti kitutangtu kudu boga kamampuh ming-pin, kulantaran boga pancenngoordinas keun saban kalurahan.Ana kitu, jelas kacamatan lain saukurtempat kagiatan administratif, tapimangrupa puseur parobahanmasarakat sabudeureunana.

Lebah dieu, nya perlu nyusud kasungapanana, upamana STPDN diJatinagor tempat atikanana. Nahapaguron luhur bieu ngatik caloncamat nu bakal jadi pamingpin nu“melayani rakyat” atawa pajabat nga-menak nu hayang “dilayani rakyat”?

Satuluyna bisa dicirikeun geura,saperti dicontokeun ku Djoko Wi,pamarenta han kota jeung kabupatennu sukses nyaeta nu mampuhngusikkeun para camat!

Karno Kartadibrata.

Camat

Manglé 2450 55

KA GIGIR:1. Balong4. Anak bangkong7. Anyaman awi meunang ngahuakeur piimaheun8. Nu anyar kaliwat9. Sato nu diarah tanagana11. Tujuan umat Hindu di ahérat14. Tulang17. Alat paranti ngukur luhurnapanonpoé keur netepkeun waktu19. Galagat, sangkaan dina haté 22. Leungit kasiatna24. Ukuran lobana puteran dina balapmobil/motor25. Bukti26. Alat kamudi kandaraan27. Sato bikang nu kakara mangkat bi-rahi

KA HANDAP:1. Pakean awéwé2. Ngaran tangkal kai3. Sanggul4. Wadah cai tina kuningan5. Awéwé nu geus teu boga salaki6. Raksasa, buta10-18. Ngaran bungbuahan nu lobasikina12. Waktu Indonésia Timur13. Ayeuna (Inggris)15. Dulur sahandapeun

16. Akang (Minang)17. Kahayang19. Surat perjangjian asuransi20. Buku nu sok dibagikeun dina ahir

seméster di sakola21. Nu ngajaga pangbérokan22. Alon23. Anak adi

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1416. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1414:

1. Ainun NazwaJalan Sadakeling 12/56 Bandung

2. MusorifKompl. Vijaya KusumahJl. Kusumah Raya Blok G 42Bandung

3. Uus RukasahJalan Panyingkiran RT 03/04 78Tasikmalaya

1414K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

“Mang.”“Aya naon, Lo?”“Ih, bet bangun anu haharéwo -

san kitu?”“Ssst.”“Itu geura?”“Bisi aya nu ngadéngékeun, Lo.”“Har, pan ngan aya urang duaan

di dieu mah, Mang.”“Bisi aya cacak bodas, Lo.”“Maksudna?”“Bisi aya nu nyadap, Lo.”“Hahaha…”“Kuat ka genah kitu seuri téh,

Lo.”“Heueuh, ku géhgéran ari Ma-

mang.”“Pan keur usum sudap-sadap

ayeuna téh, Lo.”“Cara Amérika nyah?”“Enya.”“Béjana méh unggal nagara nu

disadap ku manéhna téh, Lo.”“Ambuing.”“Kaasup nagara sekutu

manéhna, cenah, nu kasebut na-gara badag deuih.”

“Beu.”“Komo deui nagara urang nyah.”“Bener, Mang. Cenah ti baheula

mula nagara urang disadap kuAmérika téh.”

“Lakadalah.”“Keur mah ékonomina disadap,

ih rusiah nagara ogé disadap. Atuhteu boga nanaon pisan urang téh,teu boga rusiah-rusiah acan,Mang.”

“Cenah tempat nyadapna téh diistana présidén, jeung di tempat-tempat penting lianna.”

“Beu. Ku teu nyaho sopan san-tun pisan.”

“Ngaranna ogé Amérika atuh,Lo.”

“Lian ti nyadap ku sorangan téh,sok maké jasa ti nagara tatanggakorbanna Amérika mah. Nyadapnagara urang gé cenah ngaliwatanUstrali, Mang.”

“Euleuh, aya tatangga kitupatut.”

“Sanggeus katohyan disadap,presidén éstu ngaraos bendu.

Saurna anjeunna teras protés.”“Protés ka saha, Lo?”“Nya ka Ustrali jeung Amérika

atuh, piraku ka uing!”“Wani nyah protés ka Amérika?”“Wallohalam, Mang.”“Cenah aksi sadap téh sanggeus

kanyahoan mah matak rugi saréréa.Di antarana aya nagara anumeredih sangkan rundinganperdaga ngan antara Amérika jeungUni Éropa ditunda heula. Geuspuguh ari sual kapercayaan mah,réa pisan nagara anu ngurangankapercayaanana ka éta nagara.Keur mah apanan ti baheula gé siéta mah teu bisa dipercaya.”

“Lakadalah.”“Matak ulah sambarangan

sudap-sadap téh, Mang. Kudutarap ti. Tong boro nyadap infor-masi rusiah batur, dalah nyadapkawung ogé apanan kudu tarapti.

“Yaktos.”*“Ngeunaan informasi téa, Lo.”“Informasi naon, Mang?”“Informasi ngeunaan rangda

béngsrat di kampung peuntas téa,geuning.”

“Ih, kadé ulah nyarita sambara -ngan.”

“Har?”“Bisi Si Embi masang alat

sadap.”“Aéh anya, nya.”***

Sudap-sadap

56 Manglé 2450