Mangle 2455

57

Transcript of Mangle 2455

Page 1: Mangle 2455
Page 2: Mangle 2455

Lir karéta dina erél, kudu napak salalawasna. Munteu kitu, lain ukur méngpar dalah bisa jadi tigubrag,cilaka jeung nyilakakeun. Matak, mun karéta nga -

giclek tina jalanna, sok gancang ditempatkeun deui dinatempatna.

Karéta mah puguh juntrungna. Mun ngiser tina jalanna,gampang kanyahoanana. Tapi, apan teu kurang-kurang halséjén mah, mun mengpar tina pungsina téh teu dianggap‘kua-kieu’, malah ahirna mah dianggap ilahar nepi ka teukarasa deui salahna.

Pungsi jalan, misalna, apan keur patalimarga. Kitu deuitrotoarna, éta téh keur nu lalar-liwat teu maké kandaran,keur nu laleumpang. Tapi, boh jalan boh trotoar geus lobanu ‘alih pungsi’ pangpangan mah di kota-kota gedé. Sabagi -an jalan dipake parkir, atuh balukarna kandaran gé teu lan-car, malah kudu ‘padedet’ sagala. Kitu deui nu lalar liwat,hayang bisa leumpag dina trotoar gé hésé naker, da éta tem-pat téh diparaké dagang.

Ngised tina sual jalan, walungan gé kitu. Nu kuduna

tempat ngalirna cai, loba nu diparake miceun kokotor sa-bangsa runtah. Balukrana, gé lian ti cai wahangan jadikotor, ogé matak sareukseuk katempona.

Intina, mémang sagala gé kudu dina tempatna. Komodeui merenahkeun jalma, kudu dumasar kana kamapuhanjeung ahlina téa. Lantaran, mun teu dipigawé ku ahlinamah, kari nungguan ancruna. Kitu apan ceuk kateranganagama gé.

Ngabebenahna, teu sing gampang. Ceuk kekecapankolot mah, matih tuman batan tumbal. Ngan, mulangkeunkana tempatna, saperti mulangkeun jalan jeung walungankana pungsina, teu kudu dianggap pagawean hebatsabener na mah, da ukur sina kawas saméméhna.

Mitra, tumali sareng mulangkeun kana tempatna,dina nomer ieu Manglé ngolongan pamanggih Dr. H.Endang Jauhari, SH., MH., ngeunaan garapan gawé pa-maréntah kiwari. Nya cenah, kaasup kudu boga tekad nudibarung ku prakna geusan malikkeun pungsi nusamistina dina tempatna. ***

Mulangkeun kana Tempatna

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi

Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM

Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.

Page 3: Mangle 2455

LAPORAN

Méméh Milih

Waktuna Nyidikkeun Piliheun

........................................................... 8

KOLOM

Marentah Berbasis CSR

Diah Fatma Sjoraida ...................... 17

Ihlakul Qoryah

Juniarso Ridwan ............................. 39

Urang Ngalamun

Boga ”Pusat Informasi

Kebudayaan Jabar”

Us Tiarsa R. ................................... 48

BAHASAN

GOTRA SAWALA:

Urang Sunda dijadikeun obyék

Catetan Ajip Rosidi ........................ 24

DANGDING

Tepung Sabéngbatan (Kinanti)

I Wahyudi Sofyan ............................ 49

IMPLIK-IMPLIK

Momonés Béntang Sindén di STSI

......................................................... 46

CARITA PONDOK

Langit Téh Teuing Ku Lénglang

Aam Amilia ....................................... 18

Teu Tulus Nyorang Wiwirang

Agus B. Irawan ................................... 20

Mangsa Cikapundung Caina Herang

Eti ...................................................... 22

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Rumaja .................................. 31

Katumbiri .......................................... 36

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (185)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (24)

M.A. Salmun

............................................................ 12

5TAMU

Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.;

Ngubaran Bangsa, Mukakeun Haté Sina Beunta

Po

tre

t : R

eis

yan

AYA nu nyandet kana angen, basa nénjoAlia, pamajikan kuring ti jauhna kawaskeur sasapu. Arfan, Si Cikal nu can rék

adian waé, teu katénjo mapagkeundeuih. Sasarina mani jojorowokan nye-

but Papap datang téh. Sabot ngoncimobil di garasi, kadéngé manéhna muka

panto hareup......

18

Langit Téh TeuingKu Lénglang

Page 4: Mangle 2455

Mana Foto Soekarno?

Cenah, Nelson Mandela siga ayanu ditéangan. Nya poknanyakeun. Yogie S. Mémét,

harita Gubernur Jawa Barat, anumarenganana teu bisa ngajawab. AriMandela ngarasa héran naha di GedongMerdéka, Bandung, teu aya fotoSoekarno.

Mandela jeung Suharto téh ibaratnabumi jeung langit. Mandela anu euweuhgeuneuk maleukmeuk, kaasup kamusuh-musuhna, lalawanan pisanjeung Suharto anu harita keur kawasa.Mun bisa mah, Soekarno téh leungitsagala rupana. Kaasup tina bukti sa-jarah Konférénsi Asia Afrika. Padahalsaréréa gé apal, naon jasana BungKarno dina éta konférénsi.

Sababaraha kali Mandela nyebut -keun yén Soekarno téh jadi salasauranganu jadi inspirator perjoanganana.Kaayaan di Afrika Selatan harita, lainénténg-énténg. Penduduk pribumi, anukulitna hideung meles, nurutkeun un-dang-undang nagara kudu jadi warganagara kelas dua. Di mana-mana teumeunang ngahiji jeung bangsa kulitputih. Sagala rupa anu diajangkeunpikeun warga pribumi henteu satingkatjeung anu disadiakeun keur bangsakulit putih.

Ku ayana KAA di Bandung dinataun 1955, ngaran Indonésia mashur kasakuliah jagat. Soekarno nya kitu deui.Meujeuhna lamun naon-naon anudiperjoangkeun ku Soekarno jadipangjurung kana perjoangan bangsa-bangsa séjénna.

Perjoangan anu dikokojoan ku Man-dela sabatur-batur di Afrika Selatan,kacida panjangna. Kakawasaanpamarénta han bangsa kulit putih anungukuhan apartheid lain lawan-lawa-neun. Éta sababna, Mandela sabatur-batur milih jalan anu béda. Dia

antarana ku jalan mogok. Papadaningkitu, akibatna langsung karasa ku anukeur nyekel kakawasaan. Mandelajeung batur-baturna dijebloskeun kajero bui.

Waktu datang ka Bandung, Man-dela téh anyaran dibébaskeun. Lainsakeudeung-sakeudeung, tujuh likurtaun ngaringkuk di jero buina téh.Sanajan pamaréntahan apartheidusaha satékah polah mencilkeun Man-dela, tapi ari perjoanganana mah teupareum-pareum. Malah meunangperhatian ti dunya internasional.Afrika Selatan henteu diilukeun kanaacara-acara internasional, diantaranaOlimpiadeu. Atuh para pamingpin na-gara séjén ngahagal keun ngalongokMandela di jero tahanan. Geus kitumah Klerk anu keur jadi PM AfrikaSela tan harita, geus teu bisa meung-peun carang. Mandela ahirnadibebaskeun. Heuleut sababarahataun ti harita Mandela jeung Klerkdilélér hadiah Nobel Perdamaian.Atuh taun hareupna, Mandela kapilihjadi Presidén Afrika Selatan.

Poé Ahad kamari Nelson Mandeladikurebkeun di lemburna, sabadasababaraha kali pulang-anting dirawatdi rumah sakit. Yuswana nincak 95taun. Dina waktu nagara ngayakeunacara kanagaraan pikeun ngahormatMandela, puluhan kapala nagara jeungkapala pamaréntahan ti sakuliah dunyangahagalkeun nungkulan. Sanajan geushenteu jeneng nyekel kalungguhanresmi, tapi hormat ka Mandela teupareum-pareum.

Salian ti henteu neundeunkaceuceub ka musuh-musuhna, Man-dela gé henteu popohoan kanakakawasaan. Sarintakan jadi presidén,geus dianggap cukup. Papadaning kitu,pamorna henteu ngurangan, malah

kalah beuki moncorong. Gunta-gantipresidén di nagarana, Mandela mahangger jadi bapa bangsa.

Waktu ngumumkeun rencanapamarén tah dina nyanghareupan acarangurebkeun Mandela, Presidén YacobZuma henteu bisa nyumputkeunkasedihna. Nyaritana anca, soranadareuda, malah pok pisan, moal bisaaya gantina Mandela téh, cenah.

Basa anyarana nyekel kakawasaan,Suharto gé kira-kira kitu nyaritana.Soekarno mah moal bisa diganti,cenah. Éta téh meureun némbong -keun rasa hormatna. Hanjakal rasahormatna henteu dibarengan ku ka -ihlasan. Karasa ku saréréa, Suhartohayang mupus tapak lacak jeung jasaSoekarno. Salasahijina nya nga -leungit keun potrét Soekarno tina jaja -ran kapala nagara anu ngahadiranKAA, anu dipasang di GedongMerdéka Bandung.

Usaha-usaha saperti kitu beunangdisebutkeun mubah, taya gunana. Bisajadi saharitaeun mah enya ditarurut.Tapi lila-lila mah kabuktian sabalikna.Ayeuna upamana, ngaran Soekarnobeuki mindeng disebut-sebut deui.Tangtu taya maksud pikeun ngaleuleu -ngit kana kasalahanana, tapi ogénémbong keun yén jasa-jasana teu hadélamun dileuleungit deuih.

Mandela ti anggalna sadar pisan,ngunek-ngunek kana kasalahan batur,komo deui lamun bari dibarengan kuhayang males kanyeri, ulah dikukut.Komo keur anu jaradi pamingpinmah. Ku jalan ngahampura kanakasalahan batur, kaasup musuh-musuhna anu tele nges, hasilna leuwihpinunjul. Bukti na, dina pupusna, parapamingpin ti sakuliah dunyangahagal keun hadir pikeun némbong -keun rasa hormatna. AM

Manglé 2455 3

Page 5: Mangle 2455

4 Manglé 2455

Usum Ngijih diKota Bandung

Damang Ais Pangam -pih Manglé? hatur nuhunpami damang mah.Simkuring ngiring nyeratperkawis banjir atawacaah di wilayah Bandung.Mudah-mudahan waé, pa-marentah Kota Bangdung,hususna pa walikota, ngi -ring maos ieu seratan.

Kiwari, usumna hujantangtu loba jalan nuraruksak. Balukarnaupama keur usum hujanmah beuki jajero. Tah,dina hal ieu, cek sim -kuring mah pamaréntahkudu siap-siap deui nga-garap éta jalan. Ulah dugika eureun usum hujan,jalan diantep.

Kitu deui masalah ban-jir di jalan-jalan kota Ban-dung, kadieunakeun asabeuki sering. Margi kitu,Pa Walikota kedahsagancang na nitah pa-gawé lingkungan sangkanaya kerjabakti mémérésgorong-gorong. Upamatéa mah aya program'Bandung Bersih', cing di-hangkeutkeun nepi kamémérés gorong-gorongna, ulah saukurburu an kantor. Lantaran,upama gorong-gorongnapajejet runtah mah, nyaangger wé bakal nimbul -keun banjir. Kitu deui,runtah ogé bakal patu-layah.

Dina kesempatan ieuogé, simkuring usul ngeu-naan runtah. Enya runtahtéh pamiceunan. Ayeunageus loba nu patulayah.Teu puguh, rék iraha di-angkutna. Ku kituna, pa-maréntah Kota Bandungmasing bener-benernyiap keun lahan. Ulahnepi ka geus ditumpuk,

kakara diangkut. Geus lahayeuna mah, ulah teuingloba mikiran kumahanambah-nambah deuipangwangunan sapertihotél jeung sajabana. Nupenting mah, lingkunganBandung, rék keur halodoatawa keur usum hujan,tetep pikabetaheun. Pang-pangna, lamun keur usumhujan, Bandung jiga lainkota varis van java. Nu ayaBandung barau, Bandungmaracét, jeung Bandungcaraah.

Terus terang, sim -kuring mah teu panujuupama di Kota Bandungloba teuing gedong-gedong nu jarangkungjeung teu puguh mah.Lantaran, Bandung mahbandang téa. Tempat cai.Lamun terus didedetanngawangun, cai téh hésényerepna. Antukna teubisa majar kumaha bakalgampang banjirna.Sakalideui, mugi pamaréntahKota Bandung masinggancang nata deuilingkungan Bandung nuteratur. Ulah ditata diBandung kulon waé, atuhdi Bandung wétan jeungkidul ogé kudu sarua.Soalna jeung pasti, caahnacai ka Bandung wetanjeung kidul teh pamiceu-nan cai ti daerah luhur,saperti Dago jeung Ledengjeung sajabana. Tah ku ki-tuna, pangwangunan diwilayah luhur ulahsangeunah na bari teumerhatikeun kumahabalukarna upama usumhujan.

Sakitu waé ieu surat.Ngahaja dikirimkeun kaManglé, lantaran percayaManglé mah bisa ngajagalembur urang lemburSunda. Jigana Manglé ogébakal moal méréan lamun

lembur Sunda jadi lahanpamiceunan keur jalma-jalma nu teu paduli kanalingkungan. Mudah-muda han. Amin.

Wassalam,

Mang Asep SuhendraTi Gedebage Bandung

Ulah Untung keurBatur

Sampurasun!Damang Nyi Manglé?

Nyi, suburna lahan tatarSunda singhoréng matakngirut nu keur arusaha.Kituna diaku ku para -pangusaha luar negeri.Para investor asing ogéloba nu kabita ngaradonarusaha di Jawa Barat.Tah keur simkuring mah,kaayaan kitu téh tangtujadi pangjurung sumanget

para pangusaha pribumi.Ningal loba investor asingdi Jawa Barat, tangtu jadipamecut pangusahapribumi. Atuh palebahdieu, pamaréntah kedahjelas, kudu leuwih mihakka pangusaha pribumi.Atanapi pangusaha pri -bumi kudu diilukeun kanausaha aranjeunna. Lan-taran, asa langka kénéh,aya juragan pribumi. Nujadi harepan téh, mudah-mudahan di Bandung, ayajuragan Sunda nu beung-har pisan.

Sakitu waé, mudah-mudahan nu arusaha singmotékar, hususna keurpangusaha teureuhSunda.

Pa Muhtar Ti Baleendah

Bandung

Page 6: Mangle 2455

Manglé 2455 5

Patalimarga macét, trotoar hésédililiwatan, mobil-mobil parkir dijalan, naon anéhna? Horéng, keur

nu leukeun tur imeut mah, nu kararitutéh lain pasualan basajan. Da, gambaranruwetna kahirupan balukar biasa teuingngalanggar aturan. “Upama tos biasangalanggar aturan, antukna mah moalngarasa salah deui,” ceuk Dr. H. EndangJuhari, SH., MH., Doktor Ilmu Adminis -

trasi Publik lulusan UniversitasParahyangan (Unpar), Bandung.

Ngobrol jeung nu icikibung dinawidang hukum, obrolan gé neueul turpakuat-pakait jeung widang hukum. Da,mémang kitu kanyataanana, kahirupansapopoé gé, teu weléh dipageran kurupa-rupa aturan.

Upama loba kénéh nu ngalanggar atu -ran, naon sababna? “Urang téh beunta,tapi lolong,” pokna tandes naker. Nu lo-long, lain panon, da sidik nu éta mah awasnaker. Ngan, ceuk H. Endang mah, nu teuawas téh haté. “Balukar haténa lolong, nyarupa-rupa aturan gé, angger wé dilanggar,”pokna deui nambahkeun.

Salah SaréréaUpama loba nu ngalanggar aturan,

saha nu salah? Ceuk H. Endang mah,teu bisa diteumbleuhkeun ka salah

saurang atawa ka salasahiji kelompok.Geura wé, cenah, mun nu dagang dinatrotoar, heug dibeulian, nu meuli gé kaa-sup salah. Lantaran, apan trotoar mah,lain keur nu dagang, tapi keur nu ngali-wat. Kitu deui, mun loba mobil nu parkirdi jalan, lain salah nu boga mobilwungkul, tapi bisa ogé salah patugasnangantep nu markir mobil di jalan.

Pasualan-pasualan nu kasaksén dijalan, ceuk H. Endang mah, teu singbasajan. Lantaran, ngamuarana mah kapamaréntahan. Apan, rupa-rupa aturantéh enas-enasna mah keur karaharjaanbalaréa. Ngan, tangtu wé, jinek jeunglarapna aturan téa, nu kudu dibebenahtéh sagalana kaasup pamaréntahananasangkan ninggang ka nu keur jadi kaca-pangan ‘good governance’, atawapamarén tahan anu hadé!

Najan disebutna pamaréntahan

Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.;

Ngubaran Bangsa

Mukakeun Haté Sina Beunta

Aturan mah teu kurang-kurang.

Nyampak di mana-mana. Tapi, teu

babari ngalarapkeunana. Kitu téh

balukar ‘lolong’ haté. Tah, kumaha

atuh ngubaranana?

***

Page 7: Mangle 2455

hadé, lain ukur aparat pamaréntahanwungkul nu kudu dibebenah téh. Da, didinya mah, nu kaasup pamaréntahanhadé téh ngawengku tilu bagian,pamarén tah, masarakat, jeung dunyausaha. “Nu tilu bagian téh kedah adu-manis, tur tumuwuh kasadaran,” ceukDr. Endang témbrés.

Nyaritakeun pamaréntahan anuhadé ogé enas-enasna mah, neueul kanaaturan. Masing-masing pihak, dinangalaksanakeun ‘pancénna’ téh kaugerku aturan anu tangtu. Sagala rupaparipolah jeung garapan gawé pa-marentah dipapayungan ku undang-un-dang atawa aturan. Kitu deui pangusahadina ngalaksanakeun usahana di-pageran ku rupa-rupa aturan anu jinek.Kumaha ari masarakat? Tangtu wé, teuweléh ditalingakeun ku aturan.

Paripolah nu ngalaksanakeunpancén-pancén pamaréntahan, kudunapak kana aturan anu jinek. “Padikanajinek pamaréntah téh kudu transparansareng akuntabel,” ceuk ieu Widya -iswara nu jadi pangajar di DiklatPropinsi Jawa Barat téh.

Sual ‘transparan’ atawa nembrak,kacida dipiharepna ku sakumna pihak.Lantaran ku cara kitu kawijakan atawaputusan téh bakal kauji ku balaréa.Hartina, rék alusna rék goréngna bakalbabari kasaksén ku saha waé. Ku carakitu, ceuk H. Endang, mun téa mah ayahal-hal nu dianggap méngpar tina atu-ran, gampang kanyahoanana sarta gan-cang dibebenahna. Ari nu tumali jeungakuntabel mah, pihak-pihak nu ngalak-sanakeun éta kawajiban téh, puguhtanggung jawabna.

Dina nembrak jeung puguh tang-gung jawab téa, kagambar dua pasipatannu mamistina nyangkaruk dina masing-masing pihak nu ngalaksanakeun étatugas. Mémang, cenah, nembrakwungkul teu cukup, da éta mah bisa waéukur tartib administrasi, tapi mun ‘bisadipertanggungjawabkan’ mah, hartinanyumponan unsur-unsur kajujuran numémang ‘sakuduna kitu’.

Ngubaran HatéDina ngajén pihak séjén, H. Endang

teu meungpeun carang. Najan inyanatéh Pagawé Negeri Sipil (PNS), da puguhicikibung dina dunya atikan, tangtu wé,remen boga pamanggih nu béda jeungilaharana pihak-pihak nu boga wewe-nang. “Upami gaduh tékad ngabebenahkaayaan, intina mah, kedah ngubaranhaté masing-masing, sangkan teu lo-long!” pokna.

Lir ibarat nu teu ningali, moal awas

kana tincakkeun. Atuh, teu mustahilsagala dirumpak. Malah, ahirna bisawaé lolong haté. Malah ka dituna mah,lir ninggang kana kekecapan kolot, tung-gul dirarud catang dirumpak!Balukarna, tinimbanganana ogé nganukur keur kapentingan diri atawakelompokna masing-masing.

Sakadar conto, ceuk ieu KonsultanHukum nu dumuk di Bandung téh,masih kénéh kasaksén, nu ngokolakeunpausahaan daérah gé lain dumasar kanakapentingan kamajuan éta pausahaan,tapi sakadar ‘méré’ tempat ka nudipapancé nan nyekel kalungguhan diéta pausahaan. Balukarna, éta pausaha -an téh lain untung, tapi sabalikna.

Dina ngabebenah kaayaan, ieuteureuh Garut mah percaya, mimitna

tina haté. Lantaran, cenah, haté mahmoal bisa dibobodo jeung tara nga -bobodo. Saterusna, dina praknangalarapkeun rarancang gawé,samistina ngimeutan heula nu pang-pereluna jeung pangpentingnadilaksana keun. “Ulah ngan saukur resepngawangunna tapi teu bisa miara jeungngamangpaatkeunana,” pokna.

Contona, cenah, dina danget ieu, nupangpentingna téh lain hantem nga -wangun jalan anyar, tapi miara jeungngamangpaatkeun éta jalan. “Ngalarap-keun sagala aturan di tempatna,” pokna.Saperti nu tumali jeung jalan téa, apanmasing-masing gé geus puguhbagianana. Jalan téh keur patalimarga,trotoar keur nu laleumpang. “Ulah pa-corok, nepi ka salah pungsi,” pokna bari

6 Manglé 2455

Sareng garwa di Mekkah. Ibadah lain saukur amparan sajadah

Dr. Endang Juhari; ngabebenah kaayaan, mimitna kudu tina haté

Page 8: Mangle 2455

Manglé 2455 7

mésem.Upama ngalaksanakeun pancén gawé

apal kana pasualan, sarta nété tarajé nin-cak hambalan, teu sing susah. Sapertingungkulan runtah, ceuk ieu caroge Hj.Heni Helmiati mah moal hésé, asalngalarapkeun aturan anu jinek. Geurawé, barang-barang saperti sayur-sayurannu asup ka mol atawa super market teuieuh nyésakeun runtah. Kituna téh, lan-taran asupna sayuran ka mol gé geusberesih. Nu kawas kitu, cenah, sabenernamah bisa dilarapkeun di pasar-pasarumumna.

Apal kana urusan pamaréntahan, H.Endang tigin kana pancénna. Tékadna géngabaktikeun diri di dunya atikan. Najan,kasang tukangna hukum, ahirna mahleuwih tumaninah jadi ‘guru’. “Dina ngajar

nu sok dicarita-caritakeun téh bebeneran,lain néangan ‘pembena ran’,” pokna.

Carita IndungUpama ayeuna nanjung di Bandung,

H. Endang gé teu poho ka bali geusanngajadi. Sok reueus mun nyebutkeun di-rina urang kampung téh, da mémangkaayaan pakampungan deuih nungalantarankeun dirina boga sumangetdaék diajar jeung boga kaludeung gé.

H. Endang, keur budak mah teukungsi ngimpi bakal jadi pagawé dipuseur dayeuh tatar Sunda. Da puguh,sapopoéna gé harita mah, sapertiumumna barudak lembur, purah ngaritjeung ngangon ingon-ingon, sapertidomba atawa munding. Atuh, indit kasakola gé, teu weléh mamawa tolom-

bong jeung arit, lantaran balikna kudungala jukut.

Tamat SD di Rancamaya, Torogong,Garut, neruskeun ka SMP. Jauh kasakola SMP téh, lantaran kudu ka Toro-gong kota. Anggangna ti lembur téh ku-rang leuwih tujuh kilo. Ari, haritakapaksa wé nikreuh da taya kandaraanumum. “Sakola téh capé di jalan,” poknangumbar panineungan.

Upama ahirna milih sakola di juru-san hukum, mémang aya alatanana.Waktu keur budak, kungsi ngabandu -ngan aki boga urusan jeung hukum.Pasalna mah, pasualan tanah warisan.Ahirna, papaduan nepi ka pangadilan.Ari dulur aki téh urang kota, nu dinapasua lan hukum mah leuwih ngartibatan aki. Pamustunganana, pihak akinu ngarasa dirugikeun téh!

Pajuriwetna masalah hukum, nodélmamaras rasa Endang Juhari harita.Matak, najan teu dikedalkeun ka kolot,haténa mah gilig hayang ngarti hukum.Atuh, satutas tamat SMA biur wéhsakola ka Bandung, daptar ka FakultasHukum. Daptarna ka Unpad, tapi teukabiruyungan. Nya miluan deui téstingdi Unpar jeung di Unisba (Bandung).Najan ditarima di dua paguron luhur,nu dicokot mah Unisba. Kituna téh, lanamanjangkeun carita. Ti ieu paguronluhur, Endang meunang gelar SarjanaHukum.

Taksiran, ku lantaran keur maha-siswa gé kaasup nu ‘aktip’ dina rupa-rupa kagiatan, sanggeus lulus téhdisambat jadi asisten dosen, mantuanProf. Bagir Manan (nu kungsi jadi KetuaMA). Ngan, waktu aya panarimaancalon hakim nu téstingna di Jakarta, En-dang Juhari gé milu tés. Lulus!

Mungguhing lalakon, horéng teuweléh aya pakuat-pakaitna jeungmangsa ka tukang. Horéng, lalakon pa-paduan akina téa, bét nodél mamarasrasa ibuna Endang. Cenah, pagawéankitu mah, leuwih hadé dijauhan!Hartina, ieu rama Triana Permatasarijeung Puja Pratama Mahardian teu diid-inan jadi hakim. Dina séjén waktu, En-dang milu tés pagawé nagri di PemdaJawa Barat. Lulus deui waé. Nya ahirnamah ti harita tetep jadi pagawé nagri.

Ayeuna, Dr. Endang Juhari, SH.,MH., téh matuh di Bandung. Tapi, teupoho ka bali geusan ngajadi. Da, ayapapa tah kolot nu teu weléh nongtoréng.Cenah, kudu nyaah ka nu leutik. “Munaya nu ngiuhan pék sambat, ulah nepi kakahujanan di panyawéran,” ceuk Dr. En-dang nineung papatah ramana. ***(Ensa/Rudi)

Miara lingkungan di lembur, inget kana carita indung

Lolongok ka Jepang. Kataji kana cara miara lingkunganana

Page 9: Mangle 2455

Pilihan umum teu weléh jadibabak anyar dina kakawasa -an pamaréntahan. Nya ti

dinya mimitina nataharkeunkahirupan kanagaraan geusan nyo -rang mangsa saterusna. Keur nga-hontal harepan balaréa, bisa hirupjeung huripna, daék teu daék mistidimimitian tina milih para paming-pinna di legisilatif. “Ulah nepimasarakat salah milih,” ceuk Prof.Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Guru BesarFakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Poli-tik (Fisip) Universitas Pasundan(Unpas) Bandung.

Upama Prof. Ali neueulkeunharepan ka nu rek milihna, mé-mang lantaran di dinya hulu-wotanna. Da, ahirna, kumaha numilihna. Atuh, kitu jeung kieunaajén wawakil rahayat, gumantungpisan kana putusan rahayat. “Tah,di dinya pentingna nyidikkeun pili -heun,” pokna.

Muguhkeun UkuranNangtukeun pilihan dina bilik

sora (TPS), bisa ukur memenitan.Tapi, prak-prakan milih téa, ceukH. Ali Anwar mah, kudu mangruparuntuyan tina hasil pangimeutananu panjang, sanggeusna dibeu -weung diutahkeun. “Milih téhkudu dipikir jeung diintip ku ati, di-

8

H. Ali Anwar, Guru Besar Fisip Unpas

Pilihan rayat, waktuna ngintip ku ati ngararampa ku rasa

H. Ali Anwar; Rahayat butuh pangaping jeung panyalindungan

Pilihan législatif ukur bubula -

nan deui. Perelu tatapakan dina

nangtukeun piliheun. Ngan, naon

waé pasaratanana?

Naon nu kudu nyampak dina

diri pipamingpineun téh?

***

Page 10: Mangle 2455

Manglé 2455 9

papay ku rasa, disusurup ku kolbu,”pokna ngingetan.

Bisa jadi, cenah, mémang teugampang milih. Lantaran nupating torojol téh warna-warni pili-heun. Lobana partey jeung lobanacalég, keur nu rék milih gé teu gam-pang nangtukeun pilihan. Ku lan-taran kitu, ceuk Prof. Ali mah,masarakat teh ulah haripeut kuteuteureuyeun!

Upama ukur daék milih lan-taran aya ‘paméréna’, kawas kitumah lain cara nangtukeun pilihananu hadé. Éta mah, mikirna géukur saharitaeun. “Padahal, apanmilih pipamingpineun mah keurdangka panjang, malah pangaruh -na gé bisa salalawasna,” pokna.

Dina hirup, mémang remendisanghareupan ku misti mutus -keun pilihan. Ngan, cenah, ari keururang Sunda mah, milih ogé bogapadika. Apan, kudu asak-asakngéjo bisi tutung tambagana, ceukparibasa téa mah. “Milih ku atiatawa pilihan haté masing-masingkudu jadi tatapakan utama dinanangtukeun pilihan téa,” ceuk ieuKetua LPPSI Unpas téh.

Karep masarakat nangtukeunpiliheun, ceuk ieu akademisiteureuh Garut nu ngancik di Ban-dung téh, kudu ngimeutan paripo-lah jeung lalampahan paracalonpamingpin téa. Untungna, rahayatmah teu kudu asruk-asrukan nga-datangan caleg, da puguh pihakcalon legislatif nu patingtorojolngawanohkeun diri masing-masingka pihak nu rék milih. “Bisa nga-banding-banding mana nu pang-hadéna ti antara anu rék dipilih,”pokna. Carana, cenah, kari ngimeu-tan lalampahan jeungkamampuhan ana!

Di nagara démokrasi, hak milihjeung dipilih ditangtayungan kuundang-undang. Da mémang kitu

aturanana. Hartina, saha waé gébisa jadi calon legislatif asalnyumponan pasaratan adminis-trasi. Sanggeus cukup pasaratannu ditangtukeun ku Komisi Pemili-han Umum (KPU), calon téh bogahak ‘ngembarkeun’ dirina yén inya -na téh calon legislatif. Geus kitumah, éta calon gé bisa napak kanakekecapan padagang, apan cenah,‘kersa galuh, mun teu kersa ulahgeuleuh’!

Najan kitu, ditilik keur ka-masalahatan balaréa, ceuk Prof. Dr.H. Ali Anwar, M.Si., pamingpin gékudu jinek jenglenganana, lainukur bisa nyumponan pasaratanadministrasi. Hartina, leuwih jauhdeui tina éta pasaratan, pamingpinmah kudu boga adeg-adeg,kamampu han, jeung jenglen-ganana nu jinek. “Apan pamingpintéh khadimul ummah, aqdamulummah, sareng sayyidul ummah,”ceuk ieu Ketua Bidang AgamaPaguyuban Pasundan téh.

Nu kahiji, khadimul ummah,hartina téh palayan umat, palayanmasarakat. Mémang, cenah, sapertipajabat ayeuna, apan ngakuna mahpalayan masarakat. Da, mémangkitu samistina mah, parapamingpintéh jadi pihak nu mantuan jeungngurus ngatur kahayang tur kabu-tuh masarakat sangkan rahayatbisa hirup jeung huripna.

Nu kadua, pamingpin téh kudujadi tatapakan umat. Hartina, ayageusan panyalindungan rahayatdina mangsana butuh panyalindu -ngan. Aya nu nuduhkeun dinamangsana butuh ku pituduh!Hartina, pamingpin téh, nyampakdina mangsana rahayat mikabutuhéta pamingpin.

Saterusna, nu katilu, mémangpamingpin mah ‘top leader’. Dinaéta kalungguhan ‘nyiruruk’ rupa-rupa pancén nu di antarana jadi

‘leader’ jeung ‘minijer’. Atuh,sawadina éta pamingpin téh mam-puh matéahkeun sagala nu nyam-pak, sarta mampuh ngokolakeunrupa-rupa poténsi geusankaraharja an masarakatna.

Butuh Pangaping

Antara nu milih jeung nu di -pilih, biasana gé aya pihak séjén.Rupa-rupa sesebutanana gé, bisaukur bobotoh, bisa ogé ‘tim sukses’.Di antara nu jadi ‘panumbu’ caturnu bisa nyambungkeun antara duapihak ( nu milih jeung nu dipilih),samistina aya nu jadi pangaping.Tah, saha téa? “Kaum inteléktual,inohong masarakat, sareng sajaba -na, tiasa janten pangapingmasarakat,” pokna.

Da, mémang teu sakumnawarga bakal mampuh milih kalayanbener-bener ngalarapkeun padikamilih saperti tadi. Malah, bisa jadimilihna gé ukur milih, ukur lan-taran paméréna, ku lantaran ka -bobodo ku omongan, jeungsajabana. “Tah, hadirna pangapingperyogi pisan,” ceuk ieu KetuaBidang Latihan Dekopinwil JawaBarat téh.

Makusd H. Ali Anwar mah, parainohong atawa kaum inteléktualtéh kudu nyorakeun nu ‘bebas’ tinarupa-rupa kapentingan, iwal ti keurkamaslahatan masarakat sakumna.Ngan, naha aya kénéh nu payusdipilih jeung kapilih, aya kénéhpili heun nu khadimul ummah,aqdimul ummmah, jeung sayyidulummah? Naha masarakat gé mam-puh milih ku cara leuwih ti heulangintip ku atina, ngararampa kurasa, jeung nyusurup ku kolbu? H.Ali Anwar mah tetep gedé haté.“Tangtos aya kénéh nu gaduh ka-mampuhan sareng patékadananasaé,” pokna. *** (Ensa/Rudi)

Méméh Milih

Waktuna Nyidikkeun Piliheun

Page 11: Mangle 2455

10 Manglé 2455

Bagian

186

Komarujaman di -babandan.Dipasrah keun ka

raja. Putri Budur mah teukasamaran, nu datangdibakutet ku tambang téhsalakina. Ngan, Komaru-jaman mah teu apaleun,malah teu nyangkaeunmun éta raja téh PutriBudur.

“Sina mandi! Kéjagrag keun deu ka kaula!”ceuk raja maréntah.

Teu talangké,sababaraha urangbadega na cug-ceg kanaleungeun Komarujaman,dihudangkeun sina nang-tung, tuluy dibawa ka pa-mandian. SanggeusKomarujaman indit ti étatempat, raja cacarita kanangkoda, nganuhun-keun sarta mere hadiahnu lain lulumayanan.

Sanggeus awak kapalpatinglaléos, Putri Budurcacarita ka Hayati Nufus.Taya nu didingdingkelir,sagala rupana dicarita -

keun. Atuh, puguh wéPutri Hayati ge bunga-heun naker, lantaranhartina, sagala pasualanbaris gancang sirna ti di-rina.

“Tapi, ayi tong betuska sasaha,” ceuk PutriBudur.

“Kantenan atuh, singpercanten wé,” walonna.

Réngsé mandi,Komaru jaman dangdan.Puguh wé, lir nu disipuh.Da, kitu asalna,rurupaan ana téh arangpitandingeunana. Komodeui harita, lantaranpapakéan ana gé nu sarwaalus, da puguh nu biasadipaké ku gegedénkaraja an.

Peuting ka-218Kalayan dibarengan

ku sababaraha urangbadéga karajaan,Komaru jamanngadeuheus ka raja, nutaya lian ti pamajikanana.Angger najan paamprok

adu hareupan, ieupangeran téh tacanwanoheun kana jati diriraja nu keurdisanghareupan ana.Sabalik na, Putri Budurmah, harita téh méh-méhan budal rusiah, lan-taran bawaning kukasengsrem ku rurupaansalakina nu ceukpangrasa na beuki gagah.

Putri Budur sakeda-pan mah ngahuleng. Teukungsi lila, pok nyarita kasémahna, yén dirina rékméré hadiah ka Komaru-jaman. Atuh, puguh wéieu pangeran téh bunga-heun pisan.

Lian ti kitu, Komaru-jaman gé dibéré kalung-guhan sina ngurussabagian pagawéan nu tu-mali jeung urusan kara-ton. Nya, teu nolak dapuguh apaleun pisankumaha cara mancéngawé nu luyu jeungkalungguhanana. Malumanak raja, keur matuh dinagarana gé, biasa nakeruras-urus rumah tanggakaraton mah.

Taksiran, Komaru -

jaman téh kapaké pisanku bawahanana. Atuh,kasugema rahayat gé jadikabungah keur PutriBudur mah. Ku lantarankitu, éta pagawé anyartéh ditaékeun jabatananajadi bendahara karajaan.Pancénna, ngurus ngaturkakayaan nagara.

Dina ngalaksankeunpancén gawé, tétélanyugemakeun pisan.Bawahan jeung rahayatmuji-muji ka éta paming-pin anyar téh. Atuh,puguh wé Putri Budur gétambah-tambah gumbira -na.

Ngararasakeun ka-hadéan raja, Komaru -jaman mikir. Ahirna, ayateretet rasa curiga. Ceukpikirna, kanyaah raja nusakitu totomplokanana,bisa jadi aya maksud nuteu hadé. Pipikirananakitu hantem dibulak-balik, dibeuweung-diutah keun, néangan caranu panghadéna sangkanhadé ka ditu ka dieu.

Peuting ka 219Ahirna, Komarujaman

Page 12: Mangle 2455

Manglé 2455 11

ngahaja ngadeuheus karaja. Waléh nanyakeunmaksud raja pangnamikanyaah totomplokankawas kitu. Walon raja,da kitu kahayang haténagé. Hartina, inyana sora -ngan teu bisa nerangkeunsabab-musababna.

“Kanggo jisim abdi nuumur gé atah kénéh, ieujabatan téh kalintangluhurna. Inggis ku bisirempan ku sugan, ahirnanu disangka pimulyaeuntéh baris tinemu jeung nusabalikna,” pokna.

“Ih, naha bet leutikburih,” ceuk raja.

Saterusna, PutriBudur cacarita. Mémang,cenah, bener Komaru -jaman téh ngora kénéh.Tapi, lain hartina teukudu boga tanggungjawab. Malah, sabalikna,ngorana umur téh bisajadi taméng dina milam-pah kasalahan. Da, ceukbalaréa gé, pantés rékkitu, rék kieu gé da puguhngora kénéh naker.

Najan meunang jawa-ban kitu, Komarujamanteu ngarasa sugema. Ceukpikirna, mending bruk-brak yen dirina hayanggeura-geura ninggalkeunéta tempat. Ngan, basaPutri Budur ngadéngéomongan salakina kitu,méré deui alesan séjényén pangna kitu téh lan-taran butuh ku pangartiKomarujaman.

Sanggeus kabuktianKomarujaman neugtreug,Putri Budur ngajak pin-dah ti éta tempat. Nyaharita, éta Putri téh,muka jati dirina. Bréhwéh, nu salila ieu di -anggap raja téh, horéngpamajikanana.

“Duh, bet téga anjeunngulinkeun salaki!” ceukKomarujaman dibarungmésem.

“Nya hampura wé,”

walonna.Peuting éta, salaki

jeung pamajikan téh gun-treng, Nyaritakeun ma -sing-masingpangalamanana. Kitunatéh, nepi ka wanci subuh,kakara tibra sanggeussarolat heula.

Isukna, Putri Budurjeung Komarujamanngadeuheus ka raja.Inya na bruk-brak ka raja,yén dirina téh taya lian tiistri Komarujaman. Lianti kitu, sagalapangalaman ana gé dicari-takeun satarabasna tayanu didingding kelir.

Tangtu wé, raja sepuhtéh kacida kagétna.Anjeun na, saterusnamah, nitah sababaraha

urang juru tulis sina nya -tet lalampahan PutriBudur jeung Komaru -jaman dina lambarandokumen nagara. Cenah,sangkan jadi pangajarankeur anak incuna jaga.

Leng raja ngahuleng.Pok wéh nyarita, cenah,hartina, Putri Hayati téhtacan boga salaki.Sanggeus kitu, nalékKomaru jaman ngeunaandaék henteuna ngawinputri éta karajaan. Ariwalon Komarujaman,lebah perkara éta mahgumantung ka garwana.

“Kumaha tah arikitu?” ceuk raja nanya kaPutri Budur.

“Perkawis eta mah,bingah wé nu aya. Margi,

salami ieu gé Putri HayatiNufus téh, tos dianggapwargi abdi pribadi,” pokna.

Raja bungah. Cita-cita na boga minantu anumasagi, laksana. Jinekturun ana, jeung deuihkanyahoan pangabisana,Komarujaman téh éstulalaki pilih tanding. Payusjadi raja nu ngaheuyeukéta nagara.

Kurang ti sataun,Komaru jamanngarunday keun turunan.Budak na lalaki duaan tiPutri Budur jeung HayatiNupus. Nu cikal, ti PutriBudur dingarananPangeran Amjad, nukadua ti Putri Hayati nudingaranan PangeranAs’ad. *** (Hanca)

Page 13: Mangle 2455

12 Manglé 2455

Kukulutus jeunggegelen dengnaBelem, teu kudu di-

caritakeun di dieu. Meupeuskeuyang ka Artayim geuscara ombak Sagara-Kidulmeupeus kana karang,sigana mun teu sieundironom ku nu araya didinya mah, mandor jeungkuli jalan, duka dikumaha -keun Artayim téh, da geusngagilirkeun pestol sagala.Ari péstolna téh péstol kaba-heulaan, kawasna mahrurun tuk Daendels, anurenteng mulut dua téa geu -ning ngabekaskeunana kudumaké dikécéng heula, kitu géanu tabah mah acan puguhkeuna, da ngagiwarna dinakeur ngabeledag ogé ayasajeungkal mah. Leungeungeugeumeueun mah geus di-pastikeun lapur, moalkeuna.

Artayim dicaritakeunlaklak-dasar téh teu lobaomong, tonggoy jongjon baéngudaran pakéan kuda jigateu aya naon-naon, kucarék téh geus baal deuiceulina cara entog ngade ngeguludug, sakitu gelap dordar

téh geuning entog atawameri mah tonggoy baehuhujanan bangun ngareu -nah.

Ku pitulung nu ngagim-bung, bendi téh dikasisisi -keun nu tarumpaknangariuhan handapeuntangkal kai, Agan Sari mahgeus teu tuhur panon, rékbalik deui sieun, rék majuhorém, teu untupan. KuBelem kapikir, yén moalenggeus ku ambek-ambe -kan, tapi kudu ihtiar poknanya ka kuli nu mantuannyisikeun babawaan: “Jang,sugan nyaho, di mana didieu aya nu nyewakeunbendi atawa per?”

Nu ditanya sotbabawaan, gog nagog hor-mat jaman harita: “AtuhAnom, kedah mulih deui kaPadalarang atanapi teras kaCipatat.”

Mandor nyampeurkeun,pok milu ngomong: “Badeangkat ka mana tea Anomtéh?”

Belem leuleuy ngajawab,bangun hayang dipikarunya:“Nya eta Mang Mandor,arek ka Batawi, punguh ge.

Cing kumah ari geus kieu?”Mandor: “Upami keresa

arangkat mah, majeng teras,seep pasir ieu aya lembur.Manawi kahar Haji Bujalinuju teu dianggo, pangintenkenging disewa dugi kaRaja mandala; ti ditu mahsok aya kahar atanapi per naka Ciranjang.

“Jaba ti Haji Bujali sahadeui nu boga tutumpakan?”ceuk Anom.

Mandor: “Di kampungeta mah teu aya deui, kitu geupami nuju dianggo mahduka.”

Belem: “Sakumahajauhna ti dieu ka lemburtéh?”

Mandor ngahuleng, retkana babawaan, ret ka Agan,mureleng kana selopna, pokngajawab: “Upami sarengNeneng mah manawi caketasar ge dugi.”

Agan Sari ngadengemandor nyebut, “Neneng”téh hatena mani asa peuray,reuwas, sedih jeungnalangsa, biasana diagan-agan, ari ieu ceplok baedicap “Nyai-nyai tuan,”.Tapi lantaran sagala keurnyesek omong mandor téhpura-pura teu kadenge bae.

“Beu edas,” ceuk Belemhumandeuar, “kawas moal

kadugaaeun leumpang, teubiasa! Mun aya tandu mah,nya, digarotong, bisa radagancang.”

Mandor rurat-reret, pokngomong: “Tanu mahpimana eun Anom, sakieuhara-haraeun. Nangingupami kersa dicikrak mah,kaleresan aya dapuran awi,tuh, urang ngadamel cikrak,moal lami ieu, asal Nenengkeresa digotong di nu kitu,teu tebih, teu tebih da.”

Belem, satengahna mahngomong ka Sari: “Ah, arigeus kieu mah daek teu daekge kudu daek.”

Mandor: “Nangingpanga punten bae Anom. Ieubarudak nu karuli tangtoskapaksa kedah ngagarotongcikrak sareng cacandakan,bade kumaha ku Anomdileres keunana?”

Belem ngarti kana lojog -na karep mandir, pok nga-jawab: “Enya, urang gengarti! Asa gancang anggeussarta beres, kulian limapoeeun mah pek bae reken,malah mun bisa, ngajuru -ngan nu hideng saurangdibarengan ku popor urang,nyewa kahar Haji Bujali.Ulah ngitung harga, masingkudu dibeuli ku urangtangtu diduitan.”

{ 24 }Ku M.A. Salmun

Page 14: Mangle 2455

Manglé 2455 13

Gancang carita, mandorgeus ngatur jelema, cuh-cih,tuh-tah, nu nuar awi, nungurus babawaan sina tiheula, nu diutus ka Haji, nungandorong bendidikeureuyeuh ka tungtungjalan, tainggul, nu sadiaareuy pitalieun nyieuncikrak jeung jaba ti eta. AriBelem jeung Sari ngariuhandina gili sisi jalan handa -peun kai.

Sabot kitu ti kajauhanhawar-haawr aya sora nutumpak kuda ditegerkeun.Belem jeung Agan curing-hak, geus teu sak deui tangtunu nyusul. Awahing gugup,Belem mah bus bae abuskana rungkun handapeungili, orokaya Sari, teu bisarikat cara kabogohna; nutumpak kuda téh mengkolmanten ka lebah Sari jeungmandor nu teu terang naon-naon, kalah olohok nenjopepetaan Belem téh, teungarti.

Reg nu tumpak kuda téhnyandet kuda, mani nanjeurawahing digentak, sot kudateu ditolih, gidig nyampeur -keun Agan Sari anu nepi kabaseuh samping teu karasadeui, bawaning sieun, beu -ngeut pias, sakujur badanngeleper geus teu bogapanga cian.

Kerewek peupeuteuyanSari dicekel ku Usman sata -ker tanaga, nu tumpak kudatea, bari ditongtak nepi katigegelenceng kana gili, haoksorana: “Mana Si Anjingkabogoh sia?”

Sari geus teu bisangomong, komo barang rekhudang dijejek, mani ngus-ruk, tuluy dilirik bari di -jejedor kasima nenjo anujol-jol sewot, jaba teu nagritéh make gimir nenjo nuambek bari nyoren gobang.Ari geus ngumpulpangacian ana, lain nulu -ngan atawa nyapih, kalahlumpat, sieun kabarerang,ngan sungutna bisaeungogorowokan ka kulina:“Tulung barudak, tulungandewek! Tulung! Tulung!”

Belem ti nu bala, ngarti,yen Usman lamun aduhareu pan moal teu nyabutgobang. Ceg kana pestol,beledag dibitukeun baringadegdeg, pelor mabur,luput perbawa gugup.Usman malik bari mesatgobang, geus poho di naon-naon ngudag Belem. Nu di-udag nyoba mestol deui,luput deui bae, pelor beakda renteng ngan dua eusi -na. Lamun rek ngeusian téhkudu neteg heula, mereun20 menit mah. Jadi nyekelpestol ge ari kosong mahsarua bae jeung teu ngepeulnanaon. Belem karepna rekngejat tapi gobang Usmangeus miheulaan ninggangsirah. Belem bisa kenehmeta, karepna rek ngarawelgobang, direbut, tapisukuna tikojot kana areuy,geblug labuh nyangigir,gobang Usman ngan saki-lat, congo na nanceb di luardada Belem. Nu ditirukngalenggak sarta leungeun -na rancung Congo gobangku Usman didedetkeunbari beuteung Belem ditin-cak.

Pamuda kulit putih téh,leungeunna ngarangkapak,beungeutna ray pias, sepa,teu getihan, panonnangaburial siga rek luncattina kongkolakna. Sungutna

calangap, teu soraan, jaba tisesegor, letahna gelel. Tinadada nyebrot getih. Geussidik teu nyawaan, gobangdicabut lalaunan, suku dinabeuteung ditejehkeun nepika mayit ngagulimpang.

Ari malik, nenjo Sarikeur lumpat –mun nu kitumeunang disebut lumpatmah sasatna ngagusurmaneh—nuturkeun mandoranu mani tenggenglumpatna. Usman kaluat tinu bala niatna rek ngudagSari, gobang Usman nubaloboran getih diabar-abar.

Tapi barang unggahkana gili, bet burudul pulisianu ngarudag tea, atuhUsman diraponan.

Kungsi ngalawansakeudeung, tapi kalahwowotan, hiji ngalawantujuh, rubuh ditotog ku poh-por. Untung keneh teudibabuk atawa ditinggangoge.

Geus rubuh robdironom, direbut gobangnaterus direjengan, reketek di-tambalung.

Ti peuting bada Isa,dayeuh Bandung ti Andirmula geus obyag, rea jelemangahaja ngadadak nyieunobor ku barangbang kalapadihurunkeun dapo hurung,ayeuh-ayeuhan eak-eakanngabring-ngabring baban-

dan Aom Usman di -tambalung, Agan Sari di -gotong dina cikrak, mayitBelem dina cikrak hiji deui,Si Artayim ditalikung, man-dor jeung sawatara kuli di-hapit ku pulisi, teu ditalianda sakadar pisakisieun, lainbabanjan.

Dayeuh Bandung sigangadak-ngadak pesta teu di-haja. Da aneh atuh, ayamenak jadi babandandumeh maehan. Leuwihaneh deui dumeh aya,“agan” jadi wanita nepi kaluas mangminggatkeunsalaki.

Duka kumaha ari caranaKi Warta nerekabna kajelema sadayeuh mah.Kawasna dasar Mang Bejatea bae omong harus batanggoong. Abringan di Cimahikeneh ge nu megat mah geusrajeg saparat-parat jalan.

Ti lebah Kaca-Kaca-Kulon jelema tambah rea,ngabring milu ka pandopokabupaten cara nu ngarakdina cap-gome. Ramenaomong jalma geus laincaturkeuneun, unggal sirahpada boga komentar ma -sing-masing.

Wiwirang Aom Usman,Agan Sari katut baraya-barayana geus lain di -kieuna.***

(hanca)

Page 15: Mangle 2455

Alloh ngadawuh : Yaa ayyuhalladziina aamanuu laa tattabi'ukhutuwaatisy syaitoni, wamay

yattabi khutuuwatisy syaiton,fainnahu ya'muru bil fahshaa'i walmungkar. Walao laa fadlullohi'alaikum warohmatuhuu maa jakaamingkummin ahadin abadawwalaakinnalloha yuzakki mayya -syaa'u wallohu sami'un 'aliim. Nuhartosna : "Yeuh jalma-jalma anuariman! Maranéh ulah nurut kanaléngkah-léngkah sétan, karana singsaha anu nurut kana léngkahnasétan, nya saenyana manéhna geusnitah batur ngalampahkeun kaja-hatan jeung kamungkaran, jeunglamun seug teu aya kurnia ti Allohkatut rahmat-Na ka maranéh moalaya nu beresih saurang ogé. TapiAlloh ngabersihkeun sing saha anudikersakeun ku Anjeunna, jeungAlloh Maha Ngadangu, MahaUninga." (QS. An-Nur ayat 21)

Papagon Gusti Alloh sakumaha diluhur kiwari atra kasaksénna. Rupajeung paripolah pangeusi nagara,loba pisan nu patojaiah jeung papa -gon agama. Nu diturut lain nu bener,tapi nu salah pangajakna sétan.Padahal, Alloh Swt. nu Maha Uningatur Kawasa, nuduhkeun sangkanmanusa ulah nurut kana léngkah-léngkah sétan.

Naon deui buktosna? Geuningkariksa pisan, seueur ogé jalma-jalma nu ngabalieurkeun ayat-ayatAlloh. Papagon agama mung sakadarsimbol. Balukarna, karicuhan atawakamudorotan, timbul dimana-mana.Beuki ngajauhan tina harepan balda -tun toyyibatun warrobun gafuur.

Kapan kitu, dawuhan Alloh ogédina surat As-Sajdah ayat 22,Waman adhlamu mimman dukkiro

bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo'anha, innaa minal mujrimiina ming-taqimuun. "Jeung naha lain taya anuleuwih dolim batan jalma-jalma anudiwawadian ku aya-ayat Pangeran -ana, tuluy maranéhna ngabalieur tidinya? Saéstuna Kami bakal nga-bales jalma-jalma anu jarahat."

Dawuhan di luhur, sanés waépikeun jalma nu iman, tapi keurjalma-jalma nu munafék tur pasék.Maranéhna pasti bakal meunangwawales alatan kajahatanana.

Sakumaha ibroh nu dilungsur -keun ka kaum Nabi Musa a.s. AllohSwt. geus ngancurkeun kaumna nudolim ka Alloh jeung Rosulna.Kaunggel dina surat Al-Araf ayat 95,"Tsuma baddalnaa makaanas sayyi-atil hasanah hatta 'afao waqooluuqod massa aabaa 'a nadhdhorroo'uwassarro'u faahodnahum bagtatawwahum laa yasy'uruun." Nu hartosna: Tuluy Kami ngaganti kajahatan kukahadéan nepi ka maranéhna jadingarekahan. Jeung maranéhnanyarita : "Saéstuna kamudaratanjeung kasenangan téh geus tumiba kabapa-bapa urang". Tuluy Kaminiban keun siksaan ka maranéhnakalawan dadakdumadakan, sedeng -keun maranéhna henteu saladar.

Ku margi kitu, dina ngeusiankahirupan urang sapopoé ieu, hayuurang tingkatkeun deui kaimanansareng katakwaan ka Alloh Swt. Lan-taran upama henteu ngancikkaimanan jeung katakwaan mah, co-coba téh bakal ngadeukeutan.Sakumaha aya lenyepaneun urangnu kaunggel dina dawuhan AllohSwt. Surat Al-Araf ayat 97-98, nukieu unina: "Afaa min ahlal quurooayya tiyahum ba'sunaa bayaatawwahum naa'imuun. Awalam min

ahlul quroo ayya tiayhum ba'sunaadhuhaw wahum yal'abuun. Hartosna: Ku kituna naha pangeusi éta nagritéh ngarasa aman katibanan siksaanKami ti peuting waktu maranéhnakeur sararé? Atawa, naha étapengeusi nagri téh ngarasa amankatibanan siksaan Kami isuk-isukwaktu maranéhna keur arulin?Dilajeng keun ku ayat-Na : Wamawajad naa li aksarihim min ahdinwaiwwajadnaa aksarohumlafaasiqiin. "Jeung Kami henteumanggih kalolobaan maranéhna anunyumponan jangji, tapi saenyanaKami manggih kalolobaanmaranéhna parasék.

Naudzubillahi min dzalik.Sakumaha pituduh Alloh nu MahaUninga, yén masih kénéh loba jalmanu parasék. Kumargi kitu, kaummuslimin masing tawekal sartamampuh ngajauhan sifat nu matakngaleungitkeun ati jati diri tina aqi-dah sareng ahlak anu méngpar tinapapagon agama. Kasauran Nabi SAWogé: Takhallaqu bi akhlaqillah. Anupihartoseunana, "Pelakeun ahlakAlloh dina diri anjeun." Gerak-gerikna éstuning leunjeuran tinausaha ngarojong kana ngajagragnakamanusaan anu mibanda ajén.

Balukar Hubbud DunyaBangsa urang geus teu kudu di-

caritakeun deui. Kiwari, bangsaurang geus katelah nagara pasar.Atuh nagara-nagara batur gé, apansarumanget pisan daragang di na-gara urang. Atuh pangeusi nagaraurang gé, jiga nu saruka bungahkacida. Lantaran rék néangan naonbaé aya, bari teu kudu hararéséurang nyieun jeung melakna.Kumaha balukarna? Lantaran

Iman Dijaga, Gogoda Dunya Kajaga

Ku Arif Nur Hakim

14 Manglé 2455

Page 16: Mangle 2455

saukur tempat nu daragang téa, nyawayahna nagara urang kiwari jaditempat pamiceunan. Runtah patu-layah, sarana pajuliwet, jalan macét,loba nu jadi babu atawa nu siap di -tutah-titah jeung sabangsana.

Ieu gambaran, nu muarana mahlantaran urang teu sadar, geus héséleungit tina panyakit hubuddunya,nu mikirna kumaha engké, lainengké kumaha. Dawuhan Rosulullohsaw. nu hartosna: "Bakal datang kaumat kami hiji jaman nu dina étajaman bakal loba manusa anu mika -cinta lima perkara turta mopo-hokeun lima perkara séjénna...."

Naon lima perkara dipikacintakabina-bina ku umatna jeung naonlima perkara anu dipopohokeun téh?Rosulullah dina hal ieu ngadawuh :"Mikacinta dunya tur mopohokeunahérat, mikacinta gedong hirup turmopohokeun maot, mikacintagedong sigrong poho kana kubur,mikacinta harta banda tur mopo-hokeun hisabna sarta mikacintamahluk manan kholikna". (HR.Bukhari Muslim).

Lamun ku urang ditaliti pisan ha-dits diluhur tadi sabenerna saruwa,samaksud. Meureun basa nu lianmah : Bakal datang mangsa nu nga-balukarkeun manusa katalimbeng,kaséréd ku gogoda sétan. Nya éta hijimangsa sakabéh manusa geus muhitsikep hirup anu materialistis(hubuddunya) bari mopohokeunkana urusan ahérat. Geus leungitsikep zuhud anu diteruskeun ku isti -qomah. Sabab maksud lima perkaraanu dimaksud tadi téh éta-éta kénéh,leuwih mikacinta dunya mananahérat.

Mangpirang-pirang papagonagama geus nerangkeun masalahdunya. Ditétélakeun dina surat Al-Qashash ayat 77. Dunya téh saukurkeur bekel, lain keur sagalana. Wab-tagi fiima atakallohu darrol akhiroh.Wala tansa nasibaka minaddunya,wahsin kama ahsana ilaika. Nuditerang keun téh, mung ulah pohokana dunya. Lantaran hirup di dunyatéh perelu bekel. Ngan, bekel nu di-maksud téh lain keur nanaon, tapikeur tugas hirup di dunya. Naontugas téh? Wama kholaktul jinna walinsan illa liya’buduun. Lain naon-naon tugas urang téh, tapi iwal ti

keur ibadah ka Mantenna. Atuh ka-harti pisan, yén dunya téh saukurkeur bekel ibadah, lain kudu tihothatkeur nu séjenna.

As Syeikh Hasan Al Basri kantosnyarios: Saha jalma tihothat lantaranmuru dunya nepi ka poho kana uru-san ahérat, mangka Alloh bakalniban keun genep siksaan. Tilu keurdi dunya tilu keur di ahérat. Naon nutilu keur di dunya téh? Nu kahiji,dina haténa bakal tagiweur, teupuguh pangharepan. Kadua, nasfudina dirina henteu bisa dieureunan.Cek paribasana mah tunggul dirarudcatang direumpak. Katilu, sagalaamal ibadahna bakal leungitkamluyaan ana.

Balukar nu tilu bieu, mémang geustémbong kiwari. Saperti, pangeusiurang loba pisan nu munggah haji,malah nepi kudu ngadagoan sagala 10taun kahareup na. Tapi kumaha ngan-cikna éta munggah haji keur dirina?Boa-boa ugeran di luhur tadi geusnerap ka pangeusi bangsa urang. Lobanu munggah haji téh jalma nu hubud-dunya. Hajina hayang katangarhayang disebut beunghar jeung luhurdarajatna. Upama téa mah kitu,pantes kadieunakeun, aribadah dinaamal séjénna ku Alloh dileungit keunbarokahna, babari deui ngalakukeunkama’siatan.

Sedengkeun balukar anu tilu keurahérat, nyaéta: kahiji, di ahérat

engké bakal hésé néangan jugjugeun,bingung kabina-bina. Kadua, di alammasyar, hisabna bakal ngabeuratandosa. Nu katilu, sedih kingkinsalilana.

Margi kitu, matéahkeun dunyamémang kudu bener-bener luyujeung papagon agama. Éta nu bakalnyalametkeun urang. Urusan dunyamémang éndah. Tapi dijelaskeundina Al-qur’an surat al-Baqoroh, nududunya téh lain jalma mulya."Kahirupan dunya keur jalma-jalmakafir dijadikeun kaéndahan, jeungmaranéhna nganggap jalma-jalmaiman téh hina kabina-bina. Padahaljalma-jalma nu tarakwa téh leuwihmulya tibatan maranéhna di ahérat.Jeung Alloh bakal méré rejeki kajalma-jalma mungguh Alloh kalawanteu aya wates wangenna.”

Kitu deui dina surat Al-Hadidayat 20, “Sing arapal, saéstunakahirupan dunya téh mung saukurkaulinan jeung nu ngabalukarkeunlénglé.”

Kumargi kitu hayu urangsalawasa ngadu'a, mudah-mudahandina ngeusi kahirupan sapopoé ieu,urang dijauhkeun tina fitnah,hususna fitnah agama. Kitu deuimudah-mudahan baris tetep ayadina panyalindungan Alloh SWT.Robbana dolamna anfusana wa 'ilamtagfirlana wa tarhamna minalkhosiriin. Amin.***

Manglé 2455 15

tina internet

Page 17: Mangle 2455

Hukum Matok Harga Ceramah

Patarosan:Ais Pangaping Tanya Jawab Mu-

nara Cahya anu dipihormat. Kumahahukumna pami mubalig matok hargaceramah numutkeun Islam nyalira?hatur nuhun.

Wassalam,

Faqir Rahmat RobbiCikancung Bandung

Waleran:Ceramah atawa tabligh mangrupa

bagian tina kagiatan dakwah Islam anukacida mulyana. Nyebarkeun syi’arIslam ka satiap jama’ah, malah ka sa-tiap umat anu aya di alam dunya ieukalayan niatan lillahi ta’ala. Tapi dijaman kiwari dibarengan ku kamajuanélmu jeung teknologi, teu saeutik aje -ngan (kiyai) atanapi ustadz (mubaligh)dina nyebarkeun syi’ar Islam (dakwah)tisolédat kana masalah matéri. Dak-wah dijadikeun lahan bisnis, nepi kawani masang tarif bayaran atawa nga-haregakeun. Gedé jeung leutikna étabayaran umumna gumantung ka sahaanu ngondangna jeung ka mana di -ondangna.

Prinsipna, Islam ngameunangkeunnarima imbalan jasa tina hasil ce-ramahna, atawa tina hasil ngajarkeunélmu agama, saperti ngajarkeun bacatulis Alqur’an, cara ibadah solat, jeungsabangsana. Tapi imbalan anu mang -rupa materi éta ulah jadi tujuan utamanepi ka keukeuh kudu nangtukeunharga (tarif), sok komo saupamanangtu keun tarifna di luar batas wajar.Prinsip dasarna nalika ceramah tetepniatan ngan sakadar karana Alloh SWT(Lillahi Ta’ala). Lantaran, saupamamasang tarif harga ceramah bisa ngale-ungitkeun ganjaran ceramahna sarengkautamanana.

Ketua Komisi Fatwa Majlis UlamaIndonesia (MUI) Prof. Hasanudin AFnyebatkeun, dina ngajalankeun dak-wah atawa ceramah atawana deui

nyebar keun jeung nanjeurkeun syi’arIslam henteu meunang diémbél-émbélku masalah haliyah kadunyaan (im-balan), sabab dakwah dina ajaranIslam mangrupa tugas suci ti GustiAlloh anu wajib dilaksanakeun kusaka béh umat Islam. Dina hal ieu,sakumaha anu parantos dicontokeunku Rosululloh SAW sareng parasahabat na, nalika nyebarkeun Islamhenteu katalian jeung henteu kapan-garuhan ku imbalan anu mangrupamateri, tapi justru lempeng tur pancegniatna ngalaksanakeun paréntah tiGusti Alloh SWT. Ku hal kitu Prof.Hasanudin AF miharep ka sakabéhpara mubalig supaya ulah matok hargadina ngajalankeun tugas ceramahna,sabab ku cara matok harga éta bisangarusak citra mubalig atawa citradakwahna sorangan.

Katua Majlis Tarjih dan TajdidMuhammadiyah sareng Ketua LajnahBahtsul Masail Nahdlatul Ulama sami-sami nyebatkeun, wiréh dina ajaranIslam sacara étika, ulama atawa muballighenteu meunang ménta imba lan atawamasang/matok harga. Leres pisan, dinaajaran Islam meunang narima imbalan(buruhan) anu mangrupa materi tinahasil ceramahna atawa tina hasil nga-jarkeun élmu agama na, tapi ulah ku caramatok harga, rék naon jeung kumahawaé alesana sok komo bari jeung méntaimbalan.

Ngeunaan masalah ieu saupamaniténan kana katerangan para ulama,mangka katerangana kabagi kana duakelompok. Kelompok kahiji, nyebat -keun henteu meunang narima buruhanatawa ngabisniskeun panga jaran élmuagama kaasup pangajaran Alqur’an.Pamadegan ieu dianut ku ulama-ulamamadzhab Hambali, Imam Zaidiyah,sareng Ibadhiyah. Numutkeun pa-madegan ulama-ulama ieu wiréhngajar keun élmu syari’at atanapi nga-jarkeun Alqur’an kaasup bakti tanpapamrih, tapi ngan wungkul Alloh anutiasa nganiléyna. Alloh Swt. ngadawuh:“Naha anjeun ménta buruhan kamaranéhna, terus maranéhna ngarasa

dibeungbeuratan ku hutang” (HR. al-Qalam: 46). “Jeung saéstuna hidephenteu ménta buruhan ka maranéhnatina kagiatan dakwah ieu. Hal ieu teuaya sanés anging mangrupa pangaja -ran pikeun sakabéh alam” (QS. Yusuf:104).

Dua ayat di luhur dikuatan deui kuHadits riwayat Ubay bin Ka’ab. Dinahadis ieu disebatkeun wiréh RosulullohSAW ngingetan (negor) sahabat anunarima hadiah tina jasa ngajarkeunAlqur’an anu tos dilaksanakeunana.Pidawuh na: “Saupama hidep narimakana éta hadiah, mangka sajatinahidep tos nyokot sakarung seuneu tinanaraka”. Hadis sanésna diriwayatkeunku Ubadah bin al-Shamit sarengAbdurrah man bin Syibil, aranjeunnanyebatkeun Rosululloh SAW kantosngadawuh: “Poma hidep ulah néangandahar tina hasil ngajarkeun agamaatawa Alqur’an, jeung poma hidep ulahnéangan kauntungan ku cara kitu”.

Sedengkeun golongan kadua,negeskeun, yén meunang hukumnanarima buruhan tina hasil ngajarkeunélmu-élmu agama jeung Alqur’an salilahenteu nangtukeun atawa matokharga. Pamadegan ieu dirojong kuulama-ulama madzhab Maliki, Hanafi,Syafi’i, sareng Hanbali, dirojong ogé kumadzhab Zhahiri. Anu jadi dasarnasakumaha hadis anu diriwayatkeun kuSahal bin Sa’ad. Anjeuna nyarios wiréhRosululloh SAW kantos ngobulkeunnikah sahabatna kalayan maké mahar -na ku maos Alqur’an. Nyakitu deuiUmar bin Khathab kantos masihanburu han ka tilu jalmi anu ngajarkeunAlqur’an di kota Madinah. Sa’ad binAbi Waqash sareng Amr bin Yasarngagaduhan tradisi atawa kabiasaanmasihan buruhan ka saha waé anumaos Alqur’an dina salami sasih Ro-madon. Imam Malik kantos nyebat -keun: “Meunang narima buruhan tinahasil ngajarkeun élmu agama sarengAlqur’an. Malah saapal kuring (saurImam Malik) henteu pernah ngadanguhiji ulama ogé anu ngalarangna”.Wallo hu ’alam.

16 Manglé 2455

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle 2455

Geus aya kana leuwih ti dua bulanWalikota Bandung nu anyar nga -laksanakeun pamarentahanana,

naon nu geus dirasakeun ku publik KotaBandung? Hiji patalekan nu hese di-jawabna. Sabab sabagean publik nganggapWalikota anyar can katingali gawena,sabagean deui sabalikna. Tangtuna, “lobahal” nu geus dibaladah ku Ridwan Kamiljeung Oded M. Danial salaku walikotajeung wakil walikota Bandung ti saprak di-istrenan 16 September 2013, boh nusifatna mangrupa gagasan jeung wacanaatawana nu geus dieksekusi jadi kawijakanjeung tindakan.

Kamekaran nu pangmutahirna, Wa-likota Bandung naratas jeung malahngaeksekusi kawijakan paangwangunanfasilitas publik di Kota Bandung ku jalanngaraeh kakuatan pangusaha, boh pe -ngusaha swasta atawana Badan UsahaMilik Negara (BUMN) jeung Badan UsahaMilik Daerah (BUMD) ngaliwatan dana-dana corporate sosial responsibility (CSR).Cek cohagna, walikota Bandung kiwarimimiti ngajalankeun kapamarentahananadidadasaranan/ berbasis CSR, nyaetangandelkeun waragad/ dana-dana CSR tisababaraha pangusaha swasta, industriperbankan, atawana BUMN jeung BUMD,saperti nalika “mencanangkan revitalisasitaman kota” nu sifatna “tematik” sapertitaman cempaka nu aya di jalan cempakajadi taman fotografi nu diwaragadansalahsahiji Bank Swasta di Kota Bandungatawa pamasangan internet haratis ngali-watan jaringan wi fi di masjid ujungberunggawe bareng jeung PT Telkom.

Strategi nu dijalankeun RK-Oded, numitembeyan ngalaksanakeun pamarenta-hanana ku jalan ngadayagunakeun dana-dana CSR mangrupa pilihan nu pas /“tepat” ditengah-tengah transisi pa-marentahan ti rezim heubeul ka rezimanyar nu merlukeun keneh konsolidasi, nutangtu wae bakal ngakan waktu nu lainsakeudeung-sakeudeung, idealna kudunamah dua triwulan geus “terkonsolidasi”.Konsolidasi nu kudu dilakukeun walikotaanyar, nyaeta konsolidasi kawijakan jeungprogram, konsolidasi birokrasi, konsoli-dasi anggaran, sarta konsolidasi jeungDPRD Kota Bandung.

Konsolidasi kawijakan jeung programnu tumalina jeung jangji-jangji kampanyeRIDO, nu kudu ditransformasikeun jadiRencana Pembangunan Jangka Mene -ngah Daerah (RPJMD) Kota Bandungsalaku kewijakan jeung program limatahun ka harep salila RIDO merentah.Lamun nyoko kana ieu katangtuan geuskudu bisa diwujudkeun paling henteudina awal tilu bulan dina wangun hukumPeraturan Walikota ngeunaan RPJMDKota Bandung. Saterusna RPJMD diberebentuk hukum Peraturan Daerah sabada -na diguar bareng jeung DPRD Kota Ban-dung, ngaliwatan pembahasan sidang-sidang DPRD Kota Bandung, sekaligusminangka konsolidasi walikota jeungDPRD Kota Bandung. Sabab dina kon-struksi pamarentahan daerah, kapaladaerah jeung DPRD teh penyelenggara pa-marentahan daerah. Jadi, kamitraan an-tara kapala daerah jeung DPRD dinanga jalankeun pamarentahan daerah,mangrupa hiji hal nu mutlak ayana.

Kamungkinan ayana “pergeseran para-digma” dina pamarentahan tina para-digma government ka paradigma go ver nance, ti nu sarwa pamarentah kanamultistakeholders nu nekenkeun kanaproses tata kelola kapamarentahan nuhade (good governance), pilihan kawi-jakan walikota Bandung nu kakara ngalak-sanakeun pamarentahanana salila geneppuluh poe leuwih nu ngajak stakeholderspangusaha, mangrupa pilihan strategis.Walikota Bandung ngaliwatan paraturanwalikota, bari nungguan beresna panataan(nyusun) RPJMD kota Bandung, dinaawal kapamarentahanana geus netepkeundua puluh opat kolompok kerja. Lajun-inglakuna tina eta kawijakan, ngaliwatanbagean perekonomian sekretariat daerahKota Bandung geus medalkeun pedomankolaborasi pangusaha dina enggoningmilu aub ngawangun kota Bandung ngali-watan “pendanaan tanggungjawab sosialperusahaan (CSR)”.

Program jeung kagiatan nu dicanang -keun baris ditawarkeun ngaliwatan pen-danaan CSR, diantarana program ling kungan ngawengku subprogram kaenda-han lingkungan 5 (lima) kagiatan, subpro-gram kebersihan 15 (lima belas) kagiatan.

Program kasehatan 9 (salapan) kagiatan,program pendidikan 11 (sabelas) kagiatan,jeung 5 (lima) kagiatan program ekonomimasarakat. Total pendanaan nu diper-lukeun keur opat program eta kira-kira746 milyar 54 juta rupia. Jumlah kabutuhwaragad keur ngawangun kota Bandungnu ditawarkeun ngaliwatan skema pen-danaan CSR ieu ampir sapertiluna tinaAPBD Kota Bandung taun 2013.

Tangtu wae lamun seug program jeungkagiatan ieu bisa lumangsung mangrupakontribusi nu significant ti para palakuusaha di Kota Bandung jeung sakaligusmangrupa awal nu hade pamarentahananyar di Kota Bandung, nyaeta pa-marentahan Ridwan Kamil jeung Oded M.Danial. Tinggal saterusna, naha paraanggota DPRD, Birokrat, jeung wargaKota Bandung bisa proaktif milu icikibungdina miara lajuninglakuna program jeungkagiatan pangwangunan di Kota Bandungboh nu asalna tina pendanaan CSRatawana tina sumber waragad lianna ,saperti dana-dana APBD Kota Bandung,APBD Provinsi Jawa Barat, atawana nusumberna tina APBN.

Prinsip-prinsip good governance sapertiakuntabilitas, transparansi, jeung partisi-pasi mangrupa prinsip-prinsip poko nusalawasna kudu jadi komitmen jeung kududijalankeun ku unsur penyelenggara pa-marentahan Kota Bandung. Pon kitu deuistakeholders lianna di Kota Bandung,kayaning pangusaha, lembaga swadayamasyarakat, jeung partey-partey politik.Wilujeng kanggo Ridwan Kamil sarengOded M. Danial, mugia lulus-banglusmingpin pamarentahan Kota Bandungsareng tiasa nohonan jangji-jangjina dinamangsa kampanyeu, tangtos warga kotanyatet sareng bakal nagih kana jangji-jangji anjeun duaan. Henteu di dunya, nyaengke di yaumil akherat . ***

Manglé 2455 17

Marentah Berbasis CSRKu Diah Fatma Sjoraida

Page 19: Mangle 2455

18 Manglé 2455

AYA nunyan-detkanaangen,basanénjoAlia,

pamajikan kuring ti jauhnakawas keur sasapu. Arfan,Si Cikal nu can rék adianwaé, teu katénjo mapag -keun deuih. Sasarina manijojorowokan nyebut Papapdatang téh. Sabot ngoncimobil di garasi, kadéngémanéhna muka pantohareup. Enyaan, aya serebét

nyangsang dina taktaknajeung sapu dina leungeunkéncana. Hanas ngahajabalik beurang kénéh, réknganggeuskeun pagawéandi imah. Hartina pembantutéh geus mulang deui waé,mun kostum pamajikankawas kitu mah. Hartinasoré ieu kudu nyébor pe-pelakan, hartina isukankudu mantuan nalingakeunbudak, hartina moal bisanganggeuskeun pagawéandi imah téh.

“Geuning siang kénéh?”pokna, bari terus ngaléos.

Kahayang mah langsung

nanya, na tos mulih deuiréncang nu énggal téh? Tapipamohalan. Dina kaayaanpamajikan ngaheungheumkakeuheul, teu sanggupkudu loba tatanya. Bakalaya sora kawas kacangninggang kajang, lamun ka-pana saran téh dibudalkeundina kaayaan kitu. Leuwihhadé cucul- cucul disalin.Sup ka kamar, biasa rapih.Kop kana calana pondokjeung kaos paranti di imah,anu geus disadiakeun kumanéhna dina luhureunméja leutik. Karérét eun -teung antik, anu di juruna

aya aksara leutik, ‘keepsilent’ . Kecap nitah jempétéh tina stiker bawa pama-jikan ti rumah sakit basangalayad alona, iseng wé di-tapelkeun. Sakapeung aripamajikan papanjangannyarita, sok ditunjuk étastiker téh.

Sajongjongan diuk dinabiwir ranjang. Maké piraje-unan hayang ngitungsagala, pembantu nu pa-nungtung téh nukasabaraha? Aya nu masihinget, pedah kasusna radanenggang. Konah, pem-bantu pangirim mitoha.

Langit Téh Teuing Ku LénglangCarta pondok Aam Amilia

Page 20: Mangle 2455

Manglé 2455 19

Ngan saminggu cicingna diimah téh.

“Ku naon dipiwaranguih?” Kitu harita nanya téh.

“Atuda bodo. Manicangkeul miwarangna. Mundipiwarang téh teu cekap kusakali. Enjingna téh tos kitudeui waé,” témbalna.

Kahayang mah harita téhnémbalan, nyasat, atuh,geulis. Mun pinter mahmoal teuing hoyongeun jan-ten pembantu. Tapi pamo-halan. Da tangtu bakalpapanja ngan ngajak ngaduargumentasi. Kapok! Sakalimangsa kungsi dilisankeun,yén ulah nyaruakeun piki-ran urang jeung batur, sokkomo ka pembantu. Atuhborolo waé lisan jawaban,méh taya koma jeung peun.Eta da dipirucaan mukakasempetan jadi pembantudi luar negri, jadi wéh hesemilari pembantu nu sae teh.Akibat nu leuwih ngarugi -keun, ditonggongan di eng-gon, samutut sapopoé. Numatak mun Alia nyawadpembantu kukumaha ogé,tara koméntar.

“Ka, rék emam ayeuna?”pokna rada ngagorowok tidapur. Can gé ditémbalangeus gorowok deui nanya.

“Badé sareng udang, badésareng lauk emas?”

Tah éta nu matak ni -neung téh. Usum dahar asadi réstoran, dikaulaan ka-hayang. Usum di enggon,asa pangantenan waé.Mesra jeung ogo. Usumnyaba, matak reueusngagéndéngna. Sanajansakumaha keuheulna, mungeus tepung jeung panonnanu cureuleuk, biwirna nuamucuy semu kayas, pipinanu konéng beresih. Ah, teudaya teu upaya. Kabéhkakeuheul kabawa palid, nunyangkaruk ukur kadeu -deuh.

“Mun badé udang sarengtumis buncis, mun laukemas tumisna kangkung.”

“Udang wé, tapi tumisna

kangkung, “ cék kuring.Teu kadéngé némbalan,

ngan teu lila aya nu ngadu-pak kana irung. Seungitudang nu matak ngahudanglapar. Tangtu ngagoréngnamaké mantéga. Sup karuang tamu, kop kanakoran. Panon molotot kanaaksara, tapi pikiran ngaca-cang, teu jauh, ka nu keurmasak di dapur.

Kungsi aya pembantu nurada lila, dua bulan. Ciwéhngaranna téh. Eta mah hen-teu dicawad. Ngan hanjakalboga kasakit mengi. Mungeus jadi téh, kalah matakwatir waé. Dijurungkeunbalik wé, malah dianteurtepi ka lemburna. Kahayangmah nyarék. Mendingurang coba ubaran heula,ajak ka dokter. Lantarankuring lebar, Ciwéhmemenuhi sarat pisan.Gawéna singer, cingceungsagala bisa. Nyeuseuh,ngalicin, ngepél, bébérés,masak, cum laude wéh.Jeung pangpang na mahkulitna hideung, jeung ra-pang tapak cacar dina pi -pina. Perfect.

Da nu koneng pipina pip-ina mah, umur digawénaukur saminggu. Sanajan pa-gawéanana kapaké ogé,Inah teu lana aya di imah.Kasalahanana nu fatal, sokmaké calana pondok arikeur di dapur. Unggal sorésok mandi, terus dangdan.Gék hareupeun tv, lalajobareng, di tengah imah.Basa panceg poé katujuh,Inah teu papanggih deui.Teu wani nanya, da kaburukateuteup panon Alia nucureuleuk, biwirna nu amu-cuy, jeung pipina nu enaykonéng. Lebar, inggisngabaeudan, sok asa poékbumi alam, ari dipangsa -mututkeun ku pamajikantéh.

Kanyahoan sotéh alesanInah balik, basa Alia tisolé-dat di cai. Cék kuring harita,naha atuh Inah bet sina uih,

apan capé sagala dipidamelnyalira, bari nyangkéhmanéhna kana korsi, didapur.

“Atuda,” pokna aga-eugeu, bari mencétansukuna.

“Atuda naon?” cék kuringbari diuk gigireunana.

“Gumujeng moal?” poknabari gék diuk dina lahunan.Leungeun kéncana meulitkana beuheung. Irung ku -ring dipencét. Sababarahakali deui nanya, kuringseuri basa dititah jangjimoal nyeungseurikeun,mun ngadéngé jawabanmanéhna. Da eungap atuhdipengék irung mah, gan-cang dijawab, moal, moalseuri.

“Atuda nyebatkeun Kakakasép cenah, asa ningalibintang pilem.”

Kuduna mah ambek,nepika ditimburukeun kapembantu, tapi da teu bisa.Malah saukur ngélingansangkan manéhna percayadiri gé, lapur, teu wasa. Ka-hayang mah nyarita, yénrasa mah kagungan Gusti.Ulah ngabéda- bédakeunmanusa. Hak manusapikeun mikanyaah, da dipayuneun Allah SWT mahurang téh sami, satata. Tapipamohalan bisa nyaritakitu. Bet hayang nyaritakieu gé teu betus. Maenyaboga pamajikan sakieugeulisna, nepi ka kuduheroy ka awéwé séjén.Angger kemba. Sieun dise-but gombal.

“Ka bade sareng sambel?”sorana angger ti dapur.

“Iya dong, so pasti,” tém-bal kuring.

“Sambel tarasi, sambelgoang?”

“Goang wé.”Kuring ngaringkang, ti

ruang tamu, sanggeusnilepan koran. Di patenga-han papanggih jeung porét

keur papangantén nu ngaje-blag dina témbok. Beungeutpinuh kabungah, laksanangaréndéng jeung mojangnu dipicileuk ti mangsa ku-liah kénéh. Alia, béntangFakultas Sastra Inggris, nujadi pujaan mahasiswaFakultas Teknik. Ari kuliahsakampus, beda jurusan.Samemenna bisa ngintip.

Hese babandingananakabungah, basa nyaho Alianarima cinta. Kuring teunogéncang. Laksana ka balényungcung, mayang henteukalangkangan, sababarahataun ti harita. Bungahna pa-pangantén weuteuhna mahngan sabulan. Alia mimitimarudah, hayang misah.Ari Bapa sareng Ibu ngé-mutna praktis turekonomis. Imah lega, anakngan sasiki, nanaonanmaké kudu misah, kalebar-lebar duit dipake ngontrak.Eta alesan geus diasong -keun, Alia milih pindah kaimah indungna. Kuring nuhoréam tangtuna gé. Tanahsacangkewok kagungan Ibuwarisan ti Embu, nu mérésolusi téh. Urunan, nyieunimah camperenik nu ayeu -na dicicingan.

“Ka, da teu aya lalabanyar, nu kamari wé nya,tina kulkas, urang leobheula,” cék pamajikan. Teulila ngurunyung ka tengahimah. Gék diuk dina lahu-nan, saperti biasa mundatang ogona.

“Bagian Kaka kukumbah,nya,” pokna. Tuh da enya,ada maunya. Léos manéhnaasup ka kamar. Teu lilakadéngé rada ngagorowok.

“Alia badé lohor heula,bisi kabujeng séép,” pokna.

Kutan geus salat deui?Geus beberesih meureunan.Boro tadina mah rék nékad,sakali ieu mah diomon-ganan. Kari kumaha engké.Tapi ari geus beberesih

Nyambung ka kaca 29

Page 21: Mangle 2455

20 Manglé 2455

us, kira-ki-rana bisateu munAa rékménta tu-lung jeung

bantuan ka Agus?” ceuk SiA Dadang lanceuk kuringnu pangais bungsu.

“Nya naon kitu, A?” ku -ring malik nanya.

“Kieu puguhan, kusababdi dieu Aa keur rariweuh,Aa téh arék ménta bantuanka Agus, rék ménta tulungpangmeulikeun mukenajeung sajadah, keur nam-bahan mas kawin!” pokna.

“Haaar... ari barangbeulinu kitu mah kudu kuawéwé atuh A, da teu ara-pal abi mah. Kuriak waésalah engke téh!” tembaltéh.

“Nya keun baé, ngajakankabogoh Agus wé atuh,sina mangmilihkeun!” ADadang nyéréngéh, dageus nyahoeun kuringboga kabogoh urang Ten-jolaya. “pokona mah anusakirana cocog turatakapilih ku Agus, pasti bakalcocog pikeun Aa ogé! Tahieu duitna, sakalian jeungkeur ongkosna.” Si ADadang satengah maksa,kituna téh bari ngasong -keun duit 100 rébuan tilulambar ditambahan ku nu10 rébuan opat lambar.

“Tapi ketang, mun ayakénéh sésana mah sakalianwé pangmeulikeun Ku-rudung jeung Tasbéhnahiji!” pokna deui.

“Nya ari kitu onamanheg waé atuh. Isukan arékka Cikajang, ngarah meu-nang nu alus!” ceuk kuringbari nampanan duit, dia-supkeun kana dompet,tuluy diteundeun han-dapeun tutumpakan

pakean di jero lomari. Arinu keur ongkos mahditeun deun dina saku jeketlevis anu rék dipakéisukan, ngarah babarinyokot maksud téh.

A Dadang, lanceuk ku -ring nu pangais bungsu,samingguan deui arékkawin. Puguh baé kiwaritéh keur meumeujeuhnasibuk nyiapkeun sagalarupa kaperluan. Di imahogé meuni hareurin kubarang-barang jeungbawaeun sésérahan. Dakitu ilaharna di lemburmah, geus tradisi, ari ka -win téh kudu baé séséra-han! Untungna meunang keun pipamajikaneunbatur salembur kénéh,ukur béda RW. Jadi teupati jauh teuing! Ari pi -keun mahar atawa mas

kawinna salian ti ku perhi-asan téh ogé hayang diém-bohan ku peralatan solatcenah. Itung-itung ngélin-gan basana téh, ngarahleket ibadah cenah.Ma’lum atuda Ki Lanceuktéh nu ieu mah radanyantri jelemana!

Umur Si A Dadang jeungkuring téh pakokolot supa.Nu matak kuring jeung SiA Dadang ampir sapantar.Dina rupa ogé sarimbagdeuih. Keur nu teu apaleunmah disangka kuring jeungA Dadang téh kembar!

“Dé, kersa teu upami en-jing nganteur Aa ka Cika-jang?” ceuk kuring nanyaka Dede, kabogoh kuringtea, basa pasosoré kapa -rengan panggih di masigit.Ari arana aslina mahSuhartini, ngan nénéhan

osok di Dede-dede baé!Jeung da duka kumaha,kuringna ogé asa genahdeuih nyebut Dede téh. Arimanéhna ka kuring osoknyebut Aa!

“Nya badé naon kitu, A?”Dede malik nanya barikerung.

“Éta puguhan, Aa téhdipiwarang mangmeser -keun mukena sareng sa-jadah ku A Dadang,kanggo mas kawin cenah!Tapina Aa téh teu pati ara-pal ari meuli nu kararitumah, bilih lepat, sieun teucocog! Badé nyuhunkeundianteur maksad téh,kumaha kersa?”

“Ih, arisin teuing atuh A,kedah mios paduduanmah. Kuriak waé padanyarioskeun engké téh!”Dede siga nu nolak. Tapi

Teu Tulus Nyorang WiwirangKu Agus B. Irawan

‘’G

Page 22: Mangle 2455

Manglé 2455 21

ari nempo paromanna mahkaciri bungah diajakan téh.

“Gampil atuh ari kitumah! Kieu wé, énjingangkat ti dieu ulah sareng,ngarah teu terang batur!Dede angkat tipayun, an-tosan waé di tonggoh, diNeglasari. Taah... engkenembe Aa nyusul tipengker!” kuring nem-brakeun siasat, mere j alanbari ngolo sangkan dae -keun. Dede ngahulengsakedapan siga nu keurmikir. Teu lila pok nga-jawab.

“Nya wios atuh ari kitumah, da kaleresan ketangabdo oge aya peryogi,gaduh pesereun!” poknapikabungaheun.

Satuluyna kuring jeungDede jangjian.

Rencana isukan téh Dedesina indit ti heula kira-kirajam 7-an. Kuring nyusuljam 8-an. Tuluy tepung diNeglasari di tempatpamegatan mobil, tidinyaindit babarengan ka Cika-jang.

Isukna, kira jam sate -ngah dalapan kuring geusrengse mandi, maksakeuntiris-tiris oge. Keur jongjondangdan, HP kuring di -sada. Aya SMS ti Dede:“Abdi tos di Neglasari.”Cenah. Gancang dibalesan:“Antosan, nuju dangdos.”Cekeng téh.

Rék sajungna pisan indit,kadéngé Ema gegeroan tilebah dapur. Gancang di -sampeurkeun, bisi ayapenting.

“Cing Gus, saméméhindit, pangoméankeunheula kandang hayang,bodol meureun pipin -dingna! Itu, hayamna nukeur orokan ngadon ngen-car. Mangkaning osok ca-cakar, ngaruksak kanapepelakan!” saur Ema barimeresan wadah nu tasdikumbahan kana pago.

Kuring nu geus saged

dangdan, kapaksa ucul-ucul deui, diganti ku pa-pakean paranti baranggawésapopoé. Koréléng ka pipir,ka kandang hayam, teupoho mawa palu, ragajijeung jongket. Enya baékandang hayam téh geusbarodol pipindingna.

Tayohna baé papanpapan pipindingna geusbarobo. Ku rinyuh deuihongkoh! Langsung haritakénéh ogé dioméan.Pipindingna diganti. Un-tungna téh Bapa kuringmah rajin, mun aya bahbiratawa sesebitan urut ngara-gaji téh osok diampihan,dikumpulkeun. Jadi arisakalieun perelu téh teuharésé néangan.

Nu kangaranan tas uma-ome di kandang hayam,najan saeutik oge teu wudumatak kaluar kesang sartamarerang kana awak, lan-taran loba kekebul. Ongkohdeui loba sieur, kapaksawae mandi deui.

Rek kana jam. Euleuh ge-uning geus rek jam 9!Karunya teuing Dede,meureun ngadekul nung-guan ti tatadi, tada teuingkeseleunana.

Gesat-gesut kuring dang-dan rurusuhan. HP disada.Aya SMS ti Dede: “Ciosangkat moal?” cenah.Kukuring dibales radangabohong: “Nuju dijalan!” cekeng téh. Rapmake jaket. Geus kitu gapkana dompet nu ngagolerluhureun bupet. Teu di-alak-ilik, tuluy bae dibebes -keun kana saku calanatu kang. Sanggeus pamitan,gura-giru kuring indit. Emanitah nyarap heula oge teuieuh digugu. Keun wecekeng téh arek jajan dijalan. Datang ka Neglasarikasampak Dede keurngalelengkur nungguan.

“Ari sugan téh moal ciosangkat?!” pokna radabaeud.

“Aduh, punten pisan De!Tadi téh pas bade miospisan, dipiwarang ngo -mekeun heula kandanghayam ku Ema! Janten wetelat!” kuring sasadu barinyusutan kesang dina beu -ngeut ku saputangan.Lumayan jauh jarak ti lem-bur kuring ka Neglasaritéh, aya kana 2 kilona.

Teu lila jol mini beus ju-rusan Pameungpeuk-Ban-dung ngaliwat, “Ka mana,A?” keneh rikat nanyakeuntujuan kuring.

“Ka Cikajang!” tembaltéh bari mikeun duit10rebu dua lambar keurongkos kuring duaan.

Sanggeus kurang leuwihaya dua jam di jalan, anjogoge ka Cikajang. Sabenernamah teu jauh teuing Cika-jang téh, jarakna kira-kira35 kilometeran. Ngan ku -sabab jalanna pungkal-pengkol pisan, katu rug-turug nanjak deuih,jadi elat. Jeung pang-pangna mah eureun-eur -eunan, nu panglilana diCihideung aya kana sate -ngahjamna, ngadon daharheula.

Turun tina mobil,sanggeus reureuh sakeu -deung, kuring jeung Dedemuru ka salah sahiji tokopakean anu ngajual bu-sana-busana Muslim jeungalat solat kumplit. Di jerotoko kuring jeung Dedemilih-milih barang nu rekdibeuli. Nyalse bae, da teupati loba nu barangbeuli.Dede oge harita téh milihankerudung jang pakeeunmanehna. Sanggeus aya nucocog turta kapilih, tuluybae adu tawar harega jeungnu boga toko. Tungtungnamah jadi we, mukena, sa-jadah, kerudung katut tas-beh téh kabehanana 278rebueun!

Kuring ngaluarkeundompet tina pesak calanatukang, maksud téh arek

babayar. Tapi barang braydibuka... kuring kacidangajenghokna, kaget laindikieuna. Ari sabab dinajero dompet téh euweuhduit salambar-lambar acan.Kudak-kodok kana sakujeket, nu aya téh ukur duitsesa ongkos 20 rebu, keurongkos balikkeun. Kuringjadi bingung, hulang-hu-leng rampang-reumpeung.Kakarek eungeuh, sihorengsalah mawa dompet. Da ariduit keur balanja mah di -teundeun dina dompet hijideui, anu diteudeun han-dapeun tumpukan pakeandina jero lomari. Kuringjadi bingung pipetaeun!Rek balik deui ka lemburasa piraku, da sakitujauhna. Ari rek dibedokeunmoal enya deuih, bisi pajarngalejokeun.

Ningali kuring siga nukeur bingung, Dede nyam-peurkeun bari tumanya:“Kumaha, atos A?” pokna.

Gancang ku kuringdibawa nyalingker ka nurada sepi. Derekdek we di-caritakeun naon rupa nukarandapan ku kuringnajan bari era-era oge.

“Euleuh, kumaha atuhnya? Mangkaning abdi ogeukur ngabantun artossakedik, ukur 100 rebu ieutéh, moal matak piceka -peun!” Dede oge sarua milubingung sigana téh. Tapiteu lila manehna siga anuboga akal!”

“Kieu we atuh A! Aa an-tosan heula di dieu, abdibade ngical heula kang -kalung! Manawi cekapkanggo mayar balanjaan!”kalayan teu ngadagoanjawaban ti kuring. Dedetuluy ngaleos ka toko Emasanu teu jauh ti dinya. Teulila geus balik deui. Crengwe balanjaan téh dipang-mayarkeun ku Dede.Berekah, ku pitulung tiDede sareatna mah, kuringkajait tina wiwirang.***

Page 23: Mangle 2455

22 Manglé 2455

Panonkuringnu boageusmimitikarijutneu-teup

sisi walungan. Anggerkeneh walungan nu eta.Ngaranna ge angger kenehCikapundung. Ti baretonepi ka ayeuna, kuringangger ngaliwat kadinya,da ngan eta-etana jalanliliwatan lamun rek kapasar. Sanajan loba nurobah, tapi keur kuringangger neundeun pani -neungan nu moal bisakapopohokeun. Munbareto mah sisi walunganteh rembet ku tatang -kalan, kiwari mah ku nudaragang. Poe eta mahkuring asa hayang ngawa -waas maneh ka waktu nugeus kaliwat. Gek miludiuk dina bangku panjang,tukang dagang cikopi.Hayang ngawaskeun caiwalungan. Boa moal liladeui ge kuring moal ngali-wat deui ka dieu, da umurteh geus cueut ka hareup.

Bray dina wangwangan,pasosore ti tonggohkeunbarudak lalaki ngalabring,bari marawa ban keurngojay. Terus maranehnacucul-cucul rek marandi.Papakean disampaykeunkana gantar paranti po -poe. Gebrus marandi ba -ngun nu suka bungahpisan. Beulah tonggoh ayacurug, caina ngagulidag.

Gigireunana deukeut se-dong aya gawir. Ti dinyabarudak nu marandingarajleng ngadon boksay,saterusna kokojayan pa-palidan ka hilirkeun.

Unggal poe ge sok ha-neuteun lebah dinya mahku nu ngadon marandi,rereana urang jarauh bedalembur. Aya oge nu nga -don ulin sisi walungan.Pamandangan endahpisan, komo lamun pa-sosore hade poena. Nunyeuseuhan bae aya. Sisiwalungan tanahna datarlega pisan. Barudakawewe ulin ucing-ucingan.Lamun bosen mah sokmaen gatrik atawa beben-tengan, di sisi walungannu liuh tur lega.

Kasubuhnakeun hawakarasa nyecep tiis. Kuringlilir kageuingkeun ku sorabeker disada, nandakeunpukul lima kurang sapara-pat. Hawar-hawar kade -nge sora cikipak-cikipungti kajauhan. Cai diulin -keun ku leungeun nu keurmandi nurutkeun irama -na. Jrut kuring turun kawalungan terus mandi.Mandi di walungan teuwani ke tengah da tarikpisan caina. Di sisi ogerada jero. Karasa segerkana awak. Beres manditerus balik ka imah. Beukilila poe maju ka beurang.

“ Tin nambut gilesannya, upami moal wakanyeuseuh mah ?” cek CeuAdah.

“Mangga ceu, engke

abdi mah rada siang.Mangga bae bade dianggomah,” tembal kuring.

“Tuh Ma Ecin mah tosberes deui nya nyeu -

seuhanana,” cek CeuAdah ngareret ka Ma Ecin.

“Muhun ieu kantunmoe-moekeun,” tembalMa Ecin nyarita rada

Mangsa CikapundungCaina Herang

Carita pondok Eti

Page 24: Mangle 2455

Manglé 2455 23

tarik. Mani asa nong-toreng keneh kana ceuli,eta paguneman sisi walun-gan. Cikapundung mangsacaina canembrang herang,sok diparake nyeuseuhjeung mandi.

Samemeh indit sakolakuring sok mantuan heulaEma angnyeuseuhankeun,ari nyangu jeung masakmah bagian Ceu Wawat,lanceuk kuring. Poe haritakuring rada keueung rekka cai subuh-subuh teh,tara-tara ti sasari.

Kabeneran aya Wa

Endi. Kuring nuturkeun titukang, Wa Endi kahilirkeun.

Isuk-isuk ti beulah kalersora jalma ribut. Kuringnyampeurkeun terus na -nyakeun ka Ceu Adah ayakajadian naon. “Aya naon Ceu asa rame?”cek kuring.

“ Eta aya nu palid,nyangsang palih ditu.”

“Duka urang mana, tospupus.”

“Istri atanapi pemegetCeu ?”

“Istri cenah kinten-kin-

ten yuswa genep belastaun an.”

“Euleuh hawatos nya!”“Muhun jigana teu

damang, panginten matakgeubis ge.”

“Saurna mah nincakbatu leueur, tisorodotteras ka candak ku caitarik.” Bi Ita nyambungan.

“Oh, kitu.” Pagunemaneta ge asa nongtoreng deuidina ceuli. Asa cikeneh ka-jadianana, asa kakara ka-mari. Padahal geuspuluhan taun lilana.

Kajadian aya nu palidgeus leuwih ti dua kalinakuring nyaho. Aya nu ka -tulungan, aya oge nu terusjadi layon. Dina mangsacaah gede rupa-rupakaayaan hate jelema. Ayanu bungah, aya oge nusieun. Ari nu bungahtangtu bakal meunang un-tung, bisa ngecrik, bisanyair lauk nu paralidatawa lauk nu mabok. Arinu keueung jeung sieunmah nu boga imah sisiwalungan, inggis kabawaumpalan mudal, imahkakeueum ku cai. Malahgeus kungsi urang dinyakudu ngungsi ka tempatnu rada luhur, sasabarahapoe mah.

Ngan nyeta, asa dinapanon deui wae, tetenjoansatutasna caah. Kaayaansabudeureun walungankacida endahna. Batugalede jeung nu laleutikparentul.

Loba nu ngunjalan batu,keur pondasi imah. Ayaoge nu ngagunduk-gun-duk keur jualeun. Tukangngala keusik ka cidamucekilna. Keusik walun-gan mangrupa sumberkahirupan keur Pa Eme,Pa Astar jeung Pa Enggot.Kaasup bapa kuring.

Ayeuna mah kabeh gegeus ngarantun. Bapamah ngarahna teh batulaleutik, tapi lain jualeun.

Beunang milihan diasup-keun kana karung man-grupa ares, keur bahancampuran ngabeton.

Ari Pa Astar, isuknageus bisa ngangkut keusiktuus, beunang moe ka-mari. Keusik terus diakut,ditanggung, dijual kutukangna ka toko matrialJuragan Thohir. Ingetkeneh kurig ge, itungan -ana, unggal 12 tanggungandiitung sakibik. WalunganCikapundung harita, jadisumber kahirupan wargasabudeureun kuring. Ingetkeneh sakapeung sok ayamahasiswa paguron luhur,resimen mahawarman nungadon latihan peperang -an meuntas walungandina cai nu sakitu jerona.Ah, Cikapundung, gedepisan sumbangsih anjeunkana kahirupan manusamangsa harita, gerentesteh. Inget kana kasauranHajjah Mariyam, nutatsurat Ar-Rahman, Nyani’mat pangeran maranehnu mana nu ku maranehdibohongkeun teh ? Mahaberkah asma pangeranmaneh, nu kagungan kaa-gungan jeung kamulyaan,saurna basa nutup ce-ramah rutin, di masjidlembur kuring.

“Bu bade cikopi?” cektukang dagang,ngareureuwas, asa ngage-bah kuring, nu keurngawawas, herangna Cika-pundung, mangsa harita.Kuring ukur gideug baringanuhunkeun. Tambaera meuli pisang goreng,sapuluh siki. Lalaunancengkat, ninggalkeunwalungan nu ayeuna mahgeus salin rupa, da paja-manan ge geus robahpisan. ***

Ciwidey, Oktober 2013

Panglawungan 13

Page 25: Mangle 2455

24 Manglé 2455

Kuring narimauleman ti Gu-bernur JawaBarat, pikeunn u n g k u l a n

“Gotra Sawala West Java:Global Cultural Gathering”nu diayakeun di Bandungtangga. 6 jeung 7 Désém-ber, 2013. Séminar diaya -keunana di Hotél SavoyHomann Bidakara, ari pin-tonan diayakeunana di Ge -dung Merdéka. Tapi sapoésaméméh séminar, nyaétadina tanggal 5 Désémber,diayakeun acara ka “Gu-nung Padang ArcheologicalSite”, sarta sabada acara“keynote lecture” ku Pro-fessor. Anthony Reid lang-sung diayakeun “Specialscreening of the giganticGunung Padang recentarcheological discovery” nudituluykeun ku pedaranngeunaan Gunung Padangku Danny Hilman. Nimbulkeunkesan yén séminar nu disebut “globalculture gathering” mah diayakeunsotéh pikeun nyimbutan diutama -keun ana masalah Gunung Padang nukeur digali ku sabab aya nu yakin yéndi dinya aya piramid.

Kuring henteu nyumponan ule-man, henteu nungkulan Gotra Sa -

wala. Ari sababna ulemanana nim-

bulkeun pertanyaan dina haté. Kahiji,ngan ditulis dina basa Inggris, henteuaya basa Indonésiaan, padahal kuringyakin nu diulemna mah lolobanabangsa Indonésia, utamana urangSunda. Lamun dina Gotra Sawala nudigunakeunana basa Inggris baé,

hartina Gotra Sawala hen-teu tuhu kana Undang-un-dang RI no. 24 taun 2009ngeunaan Bandéra, Ba-hasa dan Lambang Negaraserta Lagu Kebangsaan.Pasal 32 éta Undang-un-dang unina: “Bahasa In-donésia wajib digunakandalam forum yang bersifatnasional atau forum yangbersifat internasonal di In-donésia”.

Kadua, dina ulemandibéréndélkeun acara nubaris dibahas jeung dipin -ton keun dina Gotra Sa -wala. Waktu dititénangeu ning méh kabéh nudipénta ngajejeran dinaséminar umumna urangdeungeun, jeung lolobanaanu tacan kabandunganaya nulis ngeunaan kabu-dayaan atawa kasenianSunda nu dipublikasikeundi urang, boh dina basa

Inggris boh dina basa Indonésiaatawa basa Sunda. Nu kungsi ném-bongkeun kaahlianana ngeunaankasenian Sunda nu kuring terangngan Wim van Zanten (urang Wa-landa ahli tembang Cianjuran) jeungKathy Foley (urang Amérika Serikatahli wayang golék, sering ngadalangdina basa Inggris). Wim van Zanten

GOTRA SAWALA: Urang Sunda dijadikeun obyék

Catetan Ajip Rosidi

Page 26: Mangle 2455

Manglé 2455 25

ngamajukeun makalah ngeunaan“Past : Music”. Ari Kathy Foley ngeu-naan “Future Dance”.

Nu matak hémeng nu dipéntaméré ceramah utama (“keynote lec-ture”) téh Prof. Anthony Reid ti ANU(Australian National University, Can-berra). Anjeunna mémang Indonésia-nis sohor, tur geus loba nulis bukungeunaan Indonésia, tapi umumnaperhatianana kana sajarah Sumatera.Asa tacan manggih tulisanana ngeu-naan Jawa Barat atawa (kabudayan)Sunda. Anjeunna baris sasauranngeu naan “West Java: Past, Presentand Future”. Naha anjeunna ngami -mitian neundeun perhatian kanakabudayaan Sunda atawa sajarahJawa Barat? Tangtu urang kudu bu -ngah lamun enya kitu téh. HartinaJawa Barat jeung (kabudayaan)Sunda mimiti jadi perhatian sarjanasohor anu jembar kauningana sartaproduktif. Mudah-mudahan moal liladeui aya buku medal karyana ngeu-naan Jawa Barat atawa sajarah TatarSunda.

Di antara nu ngajejeran dina sémi-nar ngeunaan “West Javanese Arts &Culture: Past, Present & Future” salianti Wim van Zanten jeung Kathy Foleyaya pangarang Indonésia nu sohornyaéta Remy Sylado, urang Manadoanu cenah bisaeun basa Sunda tapiasa tacan kungsi maca tulisanana nungeunaan kasenian atawa kasusastranSunda. Manéhna baris ngabahas “Arts& Culure”. Ari nu duaan deui, LuckyHendrawan jeung Benny Johanneskuring mah asa kakara ngadéngé.Tina ngaranna Lucky Héndrawan bisajadi urang Sunda, ari Benny Johannesmah kuring teu bisa naksir urangmana-urang manana. Ngan asa tacankungsi maca tulisan beunang atawangeunaan maranéhna patali jeungkabudayaan atawa kasenian Sunda.Bisa jadi nulis disertasi ngeunaankabudayaan atawa kasenian Sunda disalah sahiji universitas di mancana-gara. Kuring henteu nuturkeun kabéhtésis atawa disértasi ngeunaan Sundaatawa Jawa Barat di sakabéh univer-sitas di sakuliah dunya. Lucky Hen-drawan baris ngabahas perkara“Semiotic of Sunda Culture”, ariBenny Johannes baris ngabahas “Pre-sent Theater”.

Nu baris méré koméntar ngeunaan

bahasan-bahasan nu diajukeun ku nungajejeran gé, henteu aya urangSunda hiji-hiji acan.

Naha henteu aya ahli urang Sundaanu bisa diasongkeun pikeun milukana “global cultural gathering”?Naha henteu aya urang Sunda anupantes milu nyarita dina forum nu jigakitu? Atawa ahli urang Sunda mah di-anggap euweuh? Mangkaning ngeu-naan kabudayaan jeung kesenianSunda!

Atawa ngahaja para ahli urangSunda mah disina ulah pipilueun dina“global culture gathering”, da diang-gap leuwih hadé ngabandungankumaha ceuk urang deungeun baé.Sabab urang deungeun mah dianggapleuwih jembar kauningana jeungbaris loba mujina. Henteu rugi nga-datangkeun urang deungeun ti na-garana gé, ari loba mujina mah. Da tibaheulana urang Sunda mah reseplamun dipuji ku urang deungeun. Daurang Sunda mah kakara ngajénankasenian atawa kréasi bangsanalamun geus dipuji ku urang deungeun.

Nu leuwih matak hémeng, méhkabéh pintonan anu diayakeun dinaGotra Sawala téh karya urang deung -eun, ari bangsa urangna mah nganjadi “in collaboration with” wungkul.Nu dipintonkeun ku urang Sunda baémah ngan Beluk, Topéng Banjet jeungTopéng Losari.

Jiga pisan Gotra Sawala téh di-ayakeun pikeun méré kasempetan kaurang deungeun anu dialajar kasenianurang mintonkeun kabisana. Dibaren-gan (“in collaboration with”) ku paraseniman urang, naha maksudnapikeun nuduhkeun yén maranéhnabisa ngatur para seniman urang? Datangtu dina éta pintonan téh nungaturna urang deungeun lain paraseniman urangna, nu hartina anu di -pintonkeun téh lain kasenian Sunda,paling ogé kasenian ciptaan urangdeung eun nurutan kasenian Sundabari dibantuan ku seniman Sunda.Seniman Sundana mah ngan di-jadikeun panambah.

Cindekna Gotra Sawala nu di-ayakeun ku Gubernur Jawa Barat téhngan ngajadikeun urang Sunda jeungkabudayaan Sunda jadi obyék, dahenteu aya ahli urang Sunda anudipénta ngajejeran acara nu dibahas.Naha dianggap henteu aya urang

Sunda anu ahli ngeunaan kabu-dayaan jeung kasenian Sunda?Lamun aya saran-saran pikeunngamekarkeun kasenian Sunda hasiltina ieu Gotra Sawala, naha ku Pa-maréntah Jawa Barat baris dijadikeuncecekelan pikeun ngamekarkeunkasenian Sunda? Hartina pamarén-tah Jawa Barat ngahaja ménta urangdeungeun pikeun ngamekarkeunkasenian jeung kabudayaan Sunda?

Dina jaman dijajah Walanda,urang Sunda dijadikeun obyék ku nunyekel kakawasaan -- urang Walanda.Nyebut alus ka nu disebut alus ku nunyekel kakawasaan.

Nyebut penting ka nu disebutpenting ku nu nyekel kakawasaan.Cindekna urang mah ngan jadi obyék.Henteu (meunang) boga kahayangjeung ajén-inajén sorangan. Sanggeusurang merdéka tina jadi obyék urangjadi subyék.

Tapi hal éta téh henteu babari,sabab masa rakat Sunda pageuh pisannyekel kana féodalisme nu saenyanamah da tangna ka urang téh sabadaurang dijajah Mataram. Geus biasajadi obyék, tara wani ngamajukeunpamanggih sorangan da bisi henteuluyu jeung pamanggih nu keur nyekelkakawa saan saluhureun. Sanajangeus boga Undang-undang OtonomiDaérah, para gubernur jeung nu jare-neng di Jawa Barat angger baé nga-heulakeun kahayang urang Jakarta dipusat manan ngaheulakeun kapenti -ngan rahayat Jawa Barat nu lolobanaurang Sunda mah.

Ku diayakeunana Gotra Sawala nujigana di tukangeunana mah hayangnedunan kahayang pembantu presi -dén anu keukeuh hayang ngagali Gu-nung Padang da cenah di jerona ayapiramid – sanajan lain widangnajeung geus dibantah ku para ahligéologi jeung arkéologi gé.

Nu baris rugi mah Déddi Mizwarnu anyar diangkat jadi Wakil Guber-nur. Kari-kari manéhna urang Jakartajadi Wakil Gubernur, Pemda JawaBarat nga yakeun Gotra Sawala nujelas ngajadikeun urang Sunda jeungkabu dayaan Sunda ngan ukur obyékbangsa deungeun tur ahli urangSunda mah henteu aya nu dipéntanyaritakeun pamanggihna dalahngeunaan kasenianana sorangan.

***

Page 27: Mangle 2455

26 Manglé 2455

Guru téh pahlawan tanpa tandajasa. Guru téh kirata tina jalmanu digugu jeung ditiru. Guru lir

cahya nu sorotna nyaangan unggal ro-hang élmu pangaweruh. Guru nu nga-jarkeun kaparigelan maca, nulis, jeungngitung. Guru nu tulatén ngapingrinékana pribadi pamilon atikan kanaudagan kaparigelan jeung pangaweruhkahirupan. Guru nu percéka nganteurléngkah jeung tarékah kana udagankahirupan. Profési atawa pakasabannaon waé, sungapan élmu pangaweruhmimitina mah ti guru. Guru, profési tanwates wangen.

Ngan hanjakal, guru nu élmuna tankendat ngocor téh teu salawasnadibarengan jeung kahirupan ékono -mina nu raharja. Pangna guru honorér.Ka ditu ka dieu néangan jam ngajarpikeun ditukeurkeun jeung rupiah.Rata-rata guru honorér kudu ngajar didua sakola atawa leuwih. Malah man-dar aya guru honorér nu dina saming-guna ngajar di lima sakola, peutingnamasih kénéh kudu méré lés. Naha nepika kitu?

Mugi pada ngamafhum, gajih guruhonorér leuwih leutik ti tukang maculatawa tukang bangunan. Moal dise-butkeun écés sabaraha jumlahna. Ing-gis matak ngarakacak. Ngan gajih guruhonorér perbulan moal leuwih ti angkanu enolna lima.

Duka ti iraha jeung ti saha mimitina,geus jadi kacapangan gajih perbulanguru honorér mah teu dikali opatminggu. Jadi, kumaha ayana jumlahjam ngajar dikali sabaraha perjamna.Sakitu nu bakal katampa ku guru hono -rér. Tangtu moal saluyu upama diband-ingkeun jeung itungan jumlah lawu ngan guru di kelas nu kudu dicumpo-nan opat kali dina sabulanna.

Aya ogé sistem gajih guru honoréranu dikali opat minggu, tapi perjamnakawilang leutik pisan. Mun diutang-itung téh sarua baé leutikna jeung nu

teu dikali opat minggu. Cindekna, jauhtanah ka langit upama diobrolkeunjeung Upah Minimum Régional (UMR)mah.

Ku kituna, sanajan awak rancucutalatan guyang késang, ngajar di ditu,ngajar di dieu, ti isuk nepi ka soré,kahirupan ékonomi guru honorér jauhtina raharja.

Komo upama mireng demo buruh nunungtut gajih tilu nepi ka opat juta per-bulan. Kaayeunakeun Pemkot Bandungkeur négosiasi jeung tukang ngamén nusok marangkal di setopan lampubeureum, sangkan eureun tina pakasa-banana tuluy jadi tukang sasapu dijalan. Tukang ngamén baris sadiaupama digajih opat nepi ka sapuluh jutaperbulan. Tangtu jumlah gajih éta tung-tutan ti dua profési téh jauh pisandibandingkeun jeung gajih guru hon-orér mah.

Naha kungsi guru honorér demopikeun nungtut gajih supaya ngundaksatata jeung profési liana? Jawabananakungsi, ngan duka teuing teu dipiroséa,duka teuing mémang taya anggarananakeur ngagajih guru honorér mah. Sahadeui nu baris nalingakeun karaharjaanguru honorér? Jawabanana sing sahajalma nu masih mibanda raga kati -neung kana nasib guru honorér,pangna nu keur mancén nyepengkakawasaan jeung kawijakan.

Sok sanajan upama dipatalikeunjeung sarat kasang tukang atikan kudukaluaran kuliahan, sarat administrasiatikan ti dinas, tungtutan sakola jeungkolot pamilon atikan nu kudu dicumpo-nan ku guru honorér, teu sabandingjeung gajih nu ditarimana.

Ceuk pangrasa, dilégég-légég ogé“tangtungan” guru honorér mah moalsalégég jeung pagawé pabrik komoupama dibandingkeun jeung légégnapagawé kantoran mah. Guru honorérngan meunang légég tina simanawungkul atawa tina pola pikir jeung

sikep wijaksanana. Sanajan kitu, guru honorér tara

ngarasula komo deui nungtut nuahéng-ahéng atawa kaleuleuwihi ka pa-maréntah siga nu teu nalipak manéh.Sumawonna tara luh-lah kana nasibdiri. Seja tumarima gajih sabaraha ogé,dicekap-cekap dugi ka manggih tanggalgajihan deui nu kadang sok elat.

Aranjeuna mah soson-soson wé nga-jar di kelas. Mesék élmu jeung pamilonatikan, madungdengkeun sawangan,atawa ngahaleuang nembang, malahmandar sareuseurian manggih kasug-ema.

Ieu tulisan dijudulan “Guru Hono rér,Wilujeng Énjing!” minangka tanda hor-mat nu taya papadana ka aranjeuna nukungsi ngajarkeun ngitung bilangan tihiji nepi ka sapuluh, nu ahirna jalmabisa ngitung nepi ka mangyuta-yutajumlahna.

Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,Wilujeng Énjing!” minangka tawispanuhun nu taya watesna ka aranjeunanu kungsi ngajarkeun maca jeung nulisa, i, u, e, é, eu, jeung o, nu ahirna jalmabisa ngaréka lisan jeung tulisan nepi kamangréwu-réwu kecapna.

Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,Wilujeng Énjing!” minangka pang-dunga ka aranjeuna nu ikhlas, tulatén,jeung sabar dina ngaping, ngatik, jeungngadidik pamilon atikan. Mugi jasaaranjeun diganjar ku Gusti.

Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,Wilujeng Énjing!” minangka pangro-jong ka guru honorér nu gajihna saciwitpikeun kukuh pengkuh, ajeg, tumetepngagedur seuneu sumangetna sangkancaang unggal rohang élmu pan-gaweruh. Sangkan éta sumanget téhtumetep hibar siga sumanget hirupwanci isuk-isuk.

Baitii, 8 Oktober 2013Kahatur utun inji

GURU HONORÉR, WILUJENG ÉNJING!Ku: Anggi Novia Dewi

Page 28: Mangle 2455

Manglé 2455 27

Bulan Safar, bulan kaduadina kalénder Islam pikeunmasarakat urang (Sunda)

mah sok dipakaitkeun jeung suéatawa sial. Malah dina bulan Safarkaitung loba “pamali” kayaningpamali ngawinkeun, pamali ulahpapacuan kuriak ngawangun imahjeung bakal nerekabna sasalad pa-nyakit anu matak muringkaksaawak-awak muriding sabulu-bulu gading.

Ari nu disebut pamali téh taya lianti kapercayaan buhun, cenah mahupama dirempak matak jadimatak. Nya aya naon atuh dinabulan Safar téh? Deui-deui ieumah dumasar kana kapercayaanbuhun jaman jahiliyah di jazirahArab anu ngamimitianana. Ayakabiasaan maneuh urang Arab,mun cunduk bulan Safar sokaring kah jauh ti imah, taya lianpikeun ngayakeun perang atawapariknik ka tempat-tempat nujauh. Tumerapna, imah-imah jadikarosong. Nya dihartikeun wéhSafar téh sarua jeung “kosong”.Safar dihartikeun “koneng” sababmarengan usum panas anu tu-miba, tumerapna dangdaunankaroneng tuluy maluguran jadikalakay. Safar dihartikeun ogésalasahiji sasalad panyakit numatak muringkak, majar cenah kusabab aya hileud gedé nyileung -leum dina butun akibat panggawébatur. Pantes torojol wéh ayahadis sohéh, “Taya sasalad anunular, taya sué tina manuk bueuk,jeung taya sué tina bulan Safar”(H.R. Bukhari Muslim).

Di lembur kuring nu jauh

manyang-munyung, tepi ka kiwariogé masih keneh diparuhit kaper-cayaan pamali kawinan dina bulanSafar téh. Da ari guyubna anukarawinan mah marilihna sokbulan Rayagung. Dasar geus kituwé tahayul kudu ngabaju ka uranglembur, hayoh deuih dina bulanSafar téh di lembur kuring mahsok ramé ku ragég-na anjingkarawin. Ceuk sohibul kokolot dilembur, mangka ati-ati dina bulanSafar mah sok aya sasalad pa-nyakit to’un. Nerekab deuih ka -percayaan, pamali kuriak nyieunimah dina bulan Safar, sababbakal kakeunaan musibah kahu-ruan, dihartikeun (bari rada di -siga-siga) Safar téh “saparo”saparo kahuru saparo deui nyésa.Aya-aya waé...

Enya ku aya-aya waé aritahayul di lembur (di kota mahsawadina kudu geus ilang). Nyasatari di lembur kuring mah da suhu-nan imah ogé tingparencil, ting -runggunuk kahalangan rungkun.Isuk-isuk tingkurumuy, bray beu-rang sapangeusi lembur riab kahuma. Wanci sareupna raéngtongérét banén; reup peutingnarumpi dipépéndé simpé. Sakali-kalieun ngaliwat koréak, méré ta -ngara barudak ulah saré nang karak; atawa hawar-hawar puyuhjalu bebencé téa ngabéjaan ayabapa maling keur ngintip anungadahdir. Kueuk-kueuk sorabueuk, tah euy aya céndol teudikalapaan, ngajendol euweuhbapa-an. Bray beurang mun ayacipeuw ngelak dina tangkal, tulangkuwiwi atawa siit-uncuing ma -nyanyi, cenah sok aya anu rék

maot. Pan enya aénul-yakin, anumaot mah mémang Sunnatulloh,enya remen kasaksian ku urang.Dalah urang saréréa ogé pastibakal ngalaman, mun dihin eng -geus pinasti. Pan nyata Dawuh -anNa anu kaunggel dina Q.SLuqman ayat 34, Q.S Al-A’raf ayat34, jeung Q.S Yunus ayat 49, jeungQ.S Ali Imran ayat 145. Saperti di-antarana anu kaunggel kieu,“Jeung pikeun saban-sabanummat ogé aya ajalna. Nya upamadatang ajalna, maranéhna moalbisa ménta dipundurkeun sakeu -deung ogé, jeung moal bisa méntadipajukeun” (QS. Al-A’raf, 34).

Dina bulan Safar KangjengNabi Muhammad SAW nikahkeunputri kameumeutna Siti FatimahAz-Zahra. Pernikahan anu lang -geng sapanjang sajarah ummatIslam. Ngan anéhna, ari nga -winkeun dina bulan Safar teu di-tarurutan, ari do’ana diparakédina surat ondangan. Do’a anukieu téa geuningan, “semoga Allohmengumpulkan yang terserak…,jst” Bawirasa pikeun sa-Abah-eun jeung anak-incu di lembur,jeung tibatan ngagugulung ta -hayul anu teu puguh mah asabakal leuwih mangpaat ngeusianbulan Safar ku amal-amalan.Hayu urang ngahontal kamulyaanbulan Safar ku amal hadé bari teupetot-petot ngadunga sangkanditebihkeun tina sagala bahla bariyakin jeung munajat ka Alloh swt.Aamiin.***

Nu nulis téréh pangsiunti SMAN 3 Kota Sukabumi

USUM ANJING KAWINKu Abah Endan Sukanda

Page 29: Mangle 2455

28 Manglé 2455

Layanan Pengadaan Ba -rang/Jasa Secara Elek-tronik (LPSE) Jawa

Barat ditilik tina aspek kalem-bagaan, infrastruktur IT,layanan, jeung kamam puh/kualitas pagawena, katingalina“pangidealna” we di Indonesiamah. Kabuktian, sok sanajanaya nu kontra/didemo pedahdianggap antek-antek kaumliberal, sayang KKN, jeung teumihak pangusaha leutik ,padahal dina salahsahiji tujua-nana LPSE justru keur nga -minimalisir/ngurangan angkakorupsi, LKPP (Lembaga Ke-bijakan Pengadaan Barang/Jasa Pemerintah) geus mas-rahkeun rupa-rupa pangajenka lembaga layanan sacaraelektronik milik PemprofJabar nu ditaratas ku Dr. IkaMardiah ti taun 2007, saperti:LPSE Terbaik Nasional (taun2010), LPSE Terbaik Nasional (taun2011), LPSE Terbaik Untuk KategoriService Inovation (2012), jeung LPSETerbaik Untuk Kategori InovasiLayanan, keur kitu teh ditambih kupangajen husus kanggo gupernurAhmad Heryawan nu kasinugrahan“Kepemimpinan Dalam TransformasiSistem Pengadaan”. Lian ti eta LPSEJabar ge geus ngaraeh “Nilay Tertinggi(pangnyongcolangna)” dina survei In-deks Kepuasan Masyarakat (IKM), halieu dumasar hasil survei IKM di lima(5) unit pelayanan di instansi pelak-sana fungsi pengadaan di luar Lem-baga Kebijakan Pengadaan Barang/Jasa Pemerintah salila bulan April –Juli 2013. Teu cukup ku kitu waeLPSE Jabar ge ngaraeh ISO27001:2005 nu mangrupa sertifikatsistem manajemen keamanan infor-masi/proteksi/ nu langka keneh di-raeh ku lembaga-lembaga di indonesiajeung ISO 9001 pikeun ngaronjatkeunkualitas “layanan”, nyugemakeun parapengguna.

Ditilik tina teknologi infrastruk-

turna, LPSE Jabar ge panglengkepna,umpamana serverna geus misah se-wang-sewangan, aplikasu “back up”geus otomatis, oge bandwith-nakacida gedena (66 mega bts), jadi geusmoal aya nu luhlah deui pedah hesengaakses, hese asup atawana lemot.

Cek Ika Mardiah nu ti aun 2010 jadiPupuhu Balai LPSE Jawa Barat ,ayana Layanan Pengadaan Barang/Jasa Secara Elektronik kacida pent-ingna dina jaman digital/sarwa elek-tronik kiwari, sagalana jadi ngagam pangkeun jeung sarwa praktis teu jigaku cara manual/konvensional. Umpa-mana dimana aya lelang, si kontrak-tor/penyedia barang/jasa teh kiwarimah cukup ku daptar/verifikasi kaLPSE bari mawa dokumen nu diper-lukeun, lamun geus nohonan pasa -ratan sarta ID jeung Pasword-na aktif,kontaktor bisa langsung miluan ten-der di sakabeh LPSE. Lian i kitu luyujeung tugasna LPSE ge mere pelati-han-pelatihan keur panitia pen-gadaan, keur penyedia barang/jasajeung pikeun PPK (Pejabat Pembuat

Komitmen) katut auditor.Kukituna teu helok lamundina saminggu/sabulannasemah ti kementrian, in-stansi nu aya di Jawa Barat ,kab/kota, jeung ti propinsilianna merul daratang kaLPSE Jabar di Jl. DagoPakar Permai VI/20 Kom-pleks Resort Dago PakarBandung. Aya nu nganjang,pelatihan, silaturahmi, jeungsajabana. Nu milu pelatihanjeung ngagunakeun pasilitasLPSE Jabar mah sakabehnaharatis. Jadi cek Ika, RayatJabar kudu reueus. Sababgeus leuwih maju ti propinsilianna. Rayat Jabar ge kudunganuhunkeun ka GupernurAhmad Heryawan, sababnya anjeunna nu wantunlangsung “nyanggap” pen -tingna ayana LPSE dinangarojong mekanisme pa-

marentahan dina awal-awal kapam-ingpinanana (2008), padahal haritapamarentah pusat ge tacan ngawa-jibkeun, tacan aya intruksi presiden.

Saterusna Ika ge nyaritakeun, dinaRapat Kerja Pengadaan Nasional diBalai sudirman Batawi nu diluuhan kuwapres jeung dihadiran ku 2.500pamilon, nalika gupernur Jabarnarima pangajen jeung ditanggap lu-angna/pangalamanana dina forum,propinsi lianna ge pada muji kaAhmad Heryawan, kabeh araheng -eun, “Hebat gupernur Jabar dugi katiasa ngawasa/apal kana hal-hal teh-nis sagala”.

“Rojongan ti Pa Gupernur memangkalintang ageungna, Abdi salakupadamel bawahan janten betah man-cen tugas, margi unggal gaduh inovasipasti teu weleh dirojong ku PaHeryawan, kitu deui rojongan ti ka-pala Bapeda sareng sekda. Haturnuhun, estu sadayana kanggo kama-jengan Jawa Barat”, Kitu saur Dr.IkaMardiah mungkas wangkongan.***

Asep GP

Dr. Ika Mardiah:Teknologi Ngagampaangkeun lain keur Nyusahkeun.

Page 30: Mangle 2455

Manglé 2455 29

mah, lebar mun dipaséaantéh. Lain kuring owel kukudu nyeuseuh kukumbah,ngan karunya ka Ibu.Kungsi nepi ka ampir kaja-dian perang Baratayudaleuleutikan. Harita teuingpembantu nu kasabaraha.Parmi, kasebutna istimewa,lantaran kénging nyandakIbu ti lembur Embu, ninikuring. Karunya saur Ibu,da mayunan bulan puasa,kudu saur, mun teu bogapembantu téh. KasalahanParmi fatal, taya pangam-pura ti Alia. Sanajan cekkuring mah angger kabéh géteu pira.

Parmi kaperego keur nga-jaran baju Alia. Harita Aliakakara balik ti kantor,kasampak Parmi di tempatngalicin. Manéhna keurjongjon wé lunggak- linggekhareupeun kaca satangtung,mamaké baju Alia. Marabatantayan kasalahan Parmi,culangung, campelak, teusopan. Teu nolih yén haritatéh bulan puasa. Waktunakudu loba ngahampura,waktuna kudu nahan ama-rah, pikeun nguyang gan-jaran ti Anjeunna, Nu MahaWelas tur Maha Asih. Ibunangis. Karunya ka Parmi.Cenah manéhna téh anakjelema sangsara, atoheunpisan dibawa ka kota, milulebaran di dieu. Meureunandina wangwangananamanéhna téh keur jadi mo-jang kota, maké baju nu ara -lus. Hayangeun meu reunan,peupeuriheun boga pi-manaeun, atuh ngajaran-ngajaran. Teu bisa dis-alahkeun. Naluri awéwé.Tapi alesan naon waé, teubisa ngareureuhkeun am-bekna Alia. Malah tadinamah baju nu diajaran kuParmi téh rék dipiceun. Tapibasa ditanyakeun ka Parmi,horéng ampir kabéh geusdiajaran. Teu tulus dipice-unna, lebareun, da loba teu-

ing.Ibu bendu, ampir paséa

sareng Bapa. Teu ridosaurna anak meunanghayang, ditiup-tiup ti lelem-but, dititahan nyeuseuhkukumbah ku pama-jikanana. Ku Ibu mah diogo,diraja- raja, ari ieu dititahngepél. Saur Bapa keun baéda ridoeun atuh mantuanpamajikan ieuh. Eta mah bi-asana, kangaran an rumah-tangga.

“Ibu nu teu rido! Ranggamah raja, pupundén Ibu. Kunaon atuh mani cedihanpisan, da manusa mah tayanu sampurna kituh, béja -keun tah ka minantu téh,”saur Ibu ka Bapa. Bapaharita henteu nyarios. Ku -ring gé kitu. Ngan perangsaudara teu kungsi kajadian.Kuring nyuuh dina launanIbu, ménta pangampura.Sasadu, teu bisa ngawarahAlia. Ibu kalah nangis. Bapanu jajap. Di lawang pantoka luar, Bapa ngupahan baringusapan tonggong.

“Wayahna Jang.Ngaranna gé awéwé. Sana-jan wanita karir gé anggeraya masalah nu cék urangmah cécék bocék, cékmaranéhna mah penting.Ieu téh kakara leuleutikan.Ujian ka urang, kaumAdam. Nu bisa ngaruntuh -keun iman téh babakunamah ti anak jeung pama-jikan,” saur Bapa.

Teu cukup ku kitu, peu -tingna kuring nelepon, Bapanu nampi. Hariwang sieunIbu kateterasan. Tapi Bapatéh ngawalerna hégar naker.Soantenna ngoncrang.

“Henteu nanon Ibu mah,Jang. Ku Bapa diolo, cokothikmahna wé, cék Bapa téh.Mun teu awét boga pem-bantu mah, pan urang jadimindeng kapihapéan SiKasep, incu kadeudeuh. Lahdasar awéwé, angger wécara mikirna téh, sok loba

nu teu pikahartieun.Pilakadar nu kitu, mani

matak sahéng, ” saur Bapabari gumujeng ngabara -katak. Rada anéh, nahaBapa mani te nang kitu ngri-tik Ibu.

“Ari Ibu aya?” cék kuring.“Keur arisan di tatangga.

Maenya bébas atuh Bapacacarita, “ saurna. Kuringayeuna mah nu kagiliranseuri ngabarakatak.

“Raos, ka sambelna?”soraAlia asa ngareureuwas. Keuranteng ngalamun tuda,néangan pijalaneun hayangnanyakeun ku naon Si Nyaibalik.

“Raos pisan, “ cék kuring.Jempé sabot dahar téh, bohkuring boh manéhna. Teu-ing naon nu aya dina pikiranAlia. Boa sarua ngeunaan SiNyai balik. Ngan manéhnamah meu reunan keur néan-gan pijawabeun, bisi di-tanya.

Réngsé dahar, kuringasup ka kamar. Nu mérésanpiring urut dahar kadéngétrong trang. Di kamar geusnyampak aya cijeruk sagelasluhur méja, deukeut Laptop.Teu lila manéhna ngurun-yung. Cacak taya tapakmake-up, geulisna anggerteu ngurangan. Panonna nucureuleuk, biwirna, irungna,méh taya cawadeunana.Unggal rék ambek sok terusteu walakaya, nénjo kaénda-han nu aya dina dirina. SaurBapa mah Alia téh siga Ibukeur anom. Cek babaturannu jadi psikolog, pantescenah da kuring mah anaktunggal sok katerap pa-nyakit Oidipus kompleks.Siga Guruminda ka SunanAmbu, siga Sangkuriang kaDayang Sumbi. Duka teuingenya henteuna mah.

“Ka saé henteu? “ cek Aliaujug-ujug aya di kamar.Manéhna ngébréhkeundaster anyar pulas kasumbasaules. Nya nyebut saé wé,da teu ngarti lebah manaalus atawa teu alusna, daster

mah asa kitu-kitu kénéh.Nyebut saé sotéh, pédahdaék ganti wé. Da sasarinamah maké daster lalayusekar, nu kancing luhurnageus coplok. Pajar téh genahtiis cenah, lamun dititahganti téh.

“Laaah capé. Ka wayahnakukumbah, nya. Alia nyeripanangan, kuku potong,”cek manehna, bari goledagngagolér. Lakadalah cékhaté, aya jalan yeuh.

“Ku naon atuh Si Nyai téhbet uih? ” cék kuring tatag,bari rot kana cijeruk.

“Atuda, olo-olo.”“Olo-olo ku naon?” cek,

kuring. Tah geus mimitinyawad pembantu téh.

“Olo-olo. Mani alim dise-bat Nyai. Cenah maningambek, abdi mah da dibumi ge tara disebat Nyai,kampungan.” Kuring répéhwé, bari rot deui kana ci-jeruk.

“Mending manéhna téhmun urang mana. Sakitusidik ti kampung!” pokna.

Leres Pa, ari istri ku sokteu pikahartieun, cék haté.Naa Alia, Geulis, asa teulevel atuh sarjana paséajeung pembantu. Sabarahahéséna tanya, hayang dise-but naon? Leres Pa, nu cekurang cecek bocek, cekmanehna mah penting.

“Naha saha kitu jenen-ganana Si Nyai téh?’ cékkuring. Rot deui nginum ci-jeruk. Manéhna némbalan,tapi semu ngagerendeng,teu pati kadéngé ku kuring.

“Saha?” cék kuring.“Alia!” cenah semu nyen-

tak. Méh baé kabesékan,basa neleg cijeruk nu pa-nungtung. Sok gelas di-tunda. Jung nangtung, braymukakeun fitrase jandéla,hayang nyumputkeun semu,teu kuat hayang seuri. Diluar, langit téh teuing kulénglang. ***

Cijaura Indah 2013.Keur nu ulangtaun 18

November.

Sambungan ti kaca 19

Page 31: Mangle 2455
Page 32: Mangle 2455

Manglé 2443 31

Teu dipikiran ogé dakapikiran. Kumahateu kapikiran, danyata kadéngé.Komo beuki lila sok

asa beuki karasa. Lamun di -suntik téa mah, mimiti tarapati karasa nyerina da baalkénéh téa. Ari geus lila, apansok leuwih karasa urutna.Meni asa nongtoréng kénéhdina ceuli.

“Salaku manusa, hirup jeungsasama, kudu bisa silih harga -an. Kudu bisa nempo sasamadina soal kahadéanana. Keunda urang ogé da manusa, ayakakurangan utak-eutik mahbiasa, ulah sok digegedékeunteuing. Tempo babaturanurang téh dina kahadéanana,ulah ukur ditempo kakurang -anana. Ku cara kitu, urangbisa hirup babarengan leuwihlila bari gumbira!”

Teu héran, unggal-unggalnaogé da kepala sekolah nuanyar ieu mah pidatona sokmundel waé. Eusina teu weléhpinuh ku papatah - papatahhadé ngeunaan kahirupan.Kuring ogé salaku anakbuahna, sok resep ngabandun-gan pidatona téh. Biasa, pidatoSenen isuk-isuk. Nyumange-tan anak buah saminggueunmeureun maksudna mah,jeung kitu pisan karasa épéknaku kuring.

Tapi terus terang, pidatonapoé Senén kamari mah asa

matak nyentug kana haté. Isukpoé Rebo, bet asa karasahoréam rék indit gawé téh.

Biasana mah sumanget rékka sakola téh. Resep, kuringmah resep pisan ngajar disakola éta téh. Sakola hususkeur urang asing, anu kuringmémang bahasana bisa. Ku-liah ngampleng opat taun téhteu gaplah. Basa asing nu me-unang hésé capé diajar téhbisa kapaké unggal poé, mang-paat satutasna kuring kuliah.

Asup ka sakola éta, kuringukur duaan jeung babaturannu geus senior. Lantaran ditengah-tengah jalan, muridnambahan, yayasan ngaluar -keun kabijakan pikeun nga -rékrut tanaga guru saurangdeui. Kuring, minangka gurupangorana, dianggap lobakénéh babaturan nu canbaroga gawé, dipénta kuyayasan pikeun ngarékomén-dasikeun saha anu kira-kiracocog digawé marengan kur-ing jeung Téh Isti.

Ti dinya caritana mah, kur-ing ngabéjaan Guruh, babatu-ran saangkatan nu kungsisakelas di tingkat 1.Sakanyaho, Guruh téh budaknu cicingeun, tara pati lobanyarita, tapi kataksir ku kuringmah loba kabisana. Utamanadina urusan musik. Sajaba tiéta, sakanyaho kuring haritamanéhna gawé di tempat nueuweuh hubunganana jeung

jurusan nu dipelajari waktukuliah. Keur mah gajihna leu-tik pisan cenah. Sedengkeunmanéhna diandelkeun pikeunmantuan adina kuliah. Cari-tana mah, kataksir bakal hadégawé. Pikiran kuring harita,manéhna kabantu meunangpagawéan, kuring jeung TéhIsti bakal kabantuan ngajarbarudak.

Mimiti dibandungan ku ku -ring jeung Téh Isti, mémangloba kakurangna Guruh téh.Tapi keun baé, ngaranna ogépagawé anyar meureun, wajarmun ngatog kénéh soal paga -wéan.

Enya ogé sakola, da puguhsakola asing, tangtu bédasagala rupana. Geus puguhbasana, kurikulum, budayajeung acara-acarana ogétangtu béda jauh jeung sakola-sakola bangsa sorangan.

Ampir dua taun nepi ka aye-una téh. Tapi dina tetempoankuring, jeung Téh Isti, nahaatuh Guruh téh bet euweuhrobahna. Basana teu lancar-lancar. Éta geura lebahngadongéng ka barudak.Balik-balikanan resep barudaktéh, kalah ka lieur da katin-galina ogé. Malah ku budak nuumurna geus hideng mah,macana ogé loba digeung -geureuhkeun.

“Kumaha atuh, Tan....urangngobrol waé kitu ka luhur?”Téh Isti nanya, basa pareng

Carpon Manglé Rumaja

Salah NaksirKu Intan

Page 33: Mangle 2455

Guruh teu asup, lantaran ge -ring deui waé cenah. Tah, étadeuih sarupa, bet asa seringpisan teu asup ngajar alatangering Guruh téh.

Bari panyakitna naon jeungkumaha tungtung carita pa-nyakitna, asa tara puguh. Kituwé, dongeng berobat ka dituka dieu téh, hasilna mahngabuntut bangkong.

Ahirna kuring jeung Téh Istibadami, hal naon waé anu rékdiobrolkeun ka atasan.

Mimiti mah henteu waka kapihak yayasan, cukup kakepala sekolah jeung wakilnabaé. Hiji poé, manjang Guruhteu sakola alesan gering téa,kuring jeung Téh Isti betus kakepala jeung wakil soal kakeselkuring duaan nyanghareupankinerja Guruh. Mémang dica -ritakeun mah matak éra so-rangan, jiga anu jijieunan soalGuruh téh. Tapi da kumaha,mémang kitu kanyataanana.Loba kalakuan anu mémangteu pantes dilakukeun ku –kasebutna- guru, kaluaranpaguron luhur, kasebut anakgaul, tapi dina gawénakodomoyo pisan.

Rarasaan kuring jeung TéhIsti, waktu dua taun mah geuscukup pikeun bisa nemponaha jelema hadé gawé atawaléléwodéh. Kurang kumahasabar kuring jeung Téh Istinyanghareupan Guruh. Kabéhditutup salila dua taun.

Ditutup téh taya deui kupikiran sugan jeung sugan.Urang tempo nepi ka bulananu, kitu kénéh waé. Urangtungguan nepi ka réngsé ka-giatan anu, kitu kénéh waé.Ceuk sakadang monyét mah,atung énéh atung énéh, jan-tung kénéh jantung kénéh,

iraha jadi cauna. Iraha arékrobahna éta pagawéan jigakitu.

Lamun dicaritakeun mahlain caritakeuneun. Héséngagambarkeunana, manusaumur sakitu, lalaki, lulusanpaguron luhur, sarjana cari-tana mah....tapi pagawéan kitupatut.

Disabar-sabar ogé da puguhkasabaran aya watesna.

Kuring jeung Téh Isti ahirnamikir deui pikeun laporan kapihak yayasan. Lah-lahan enyaogé teu téga inget kana kurun-ganana mah, tapi da kumahaari matak jadi teu nyamankana pagawéan mah. Unggalpoé, kuring, pon kitu deui TéhIsti, sok aya waé kahoréammun rék indit gawé téh.

Lain, lain horéam ku pa-gawéanana, da puguh pa-gawéanana mah pikaresepeun,ngajar barudak keur meu-jeuhna lalucu. Tapi nyaéta, nuteu lucu téh babaturan nu éta.

Kahoréam mingkin namba-han, waktu kuring jeung TéhIsti laporan, ketua yayasan betbangun anu ngabélaan. Jigaanu nganggap kuring jeungTéh Isti anu akrab teuing,deukeut teuing, jadi karasapisan Guruh bédana.Aduh....kudu ka saha deuiatuh ngobrol téh, ari kuyayasan waé geus teu didéngé.

Katambah-tambah poéSenén mangkukna, kepalasekolah bet kitu pisan eusipidatona. Bet jiga nu ngadong-dolék ka kuring jeung Téh Isti.Mulang ka imah, eusi pidatokepala sekolah asa beukikarasa neueulna kana angen.Asa diteungteuinganan, asa di-tunjuk irung yén kuring teubisa nempo kahadéan babatu-

ran sorangan.Gustiiii.....lamun maranéhna

mikir, piraku teuing kuring teubisa nempo kahadéan Guruh?Matak ku kuring sina ngala-mar kadieu ogé, matak ku ku -ring sasat dipromosikeunpinter itu ieuna ogé.....dasarnaapan ku pédah kuring bisanempo kahadéan manéhna,meureun....? jauhna mah ayakanyaah ka babaturan.Hayang nulung ku cara nga-jalanan manéhna sangkan me-unang pagawéan, anumudah-mudahan bisa nulungbantu ka indungna dina ngabi-ayaan kuliah adina.

Naha jadi kalah ka malikdipikangéwa kuring téh arikieu mah? meni asa nyeri hatédirasa-rasa mah. Jadi kapikir,lamun yayasan, kepala sekolahjeung boa wakilna ogé, leuwihhayang mertahankeun Guruhbatan kuring, nya sok manggaatuh. Kajeun kuring nungéléhan kaluar.

Disabar-sabar, dibetah-betah ogé, nyanghareupan nugawéna jiga kitu mah.....asacapé sorangan. Soal pagawéan,keur kuring mah teu masalah.Lain ngagampangkeun, tapikuring mah bisa leuwih gerakbatan Guruh. Teu di dinya ogé,tempat ngajar séjén nu na -waran mah loba.

Malah ayeuna ogé apan keurngajalanan dua tempat ngajar,najan enya ogé di dieu tempatkuring pangbetahna mah.

Tapi lantaran nyanghare-upan babaturan kedul, kitusinggetna mah, bari jeung kuatasan asa teu dibélaan,rarasaan teu salah mun ahirnakuring mundur.

Mundur alatan salahnaksir.***

Manglé 245532

Page 34: Mangle 2455

Manglé 2455 33

“Resep wungkul,biasa laaahhh, amati-ran,” ceuk mojangkalahiran Bandung 23April 199 ieu barinyeuleukeuteuk. “Tapiduka upami ka payunbakal janten propési,

teu nanaon. Margi mémang resephanting poto téh,” Yasmin, kitunénéhna, neruskeun obrolananangeunaan karesepna popotoan.

Yasmin anu nami lengkepnaAlmira Jasmine ieu, resep popotoantéh, maksudna lain ukur resepdipoto, jadi modélna. Tapi ogé Yas-min sorangan resep néangan objékpotoeun. Dina pamuka obrolananatadi, nyebutna ogé “potograper am-atir”. Tapi teu nanaon, saha nuterang ayeuna ukur amatir, lila-lilajadi ahli.

“Tapi, upami ditaros cita-citamah, Insya Allah, abdi hoyong jadidokter,” ceuk siswi kelas 9 SMPN 31Bandung ieu nétélakeun. Putritunggal Bapa Hélmi Andriansyahsareng Ibu Anne Awalina ieu, reseppisan jadi poto model. Dina widangolah raga, mojang anu mikaresepkatuangan ayam balado ieu téhresep pisan ngojay.

Dina kagiatan anu sakitu mataknyita waktuna, Yasmin, lian tinyong colang dina widang akademikdi sakolana, ogé kungsi sababarahakali nyangking kajuaraan dinawidang poto modél. Mojang anusalirana 160 cm/ 47 kg ieu, di an-tarana kungsi jadi Juara Modelingjeung Juara Fotogenik.

Énerjik, mojang geulis bari pintergaul, loba karesep jeung euyeub kupréstasi tur dirojong ku tangtungannu payus, teu matak hélok lamunloba kawawuhanana. “Alhamdulil-

lah upami urang tiasa ngajagi sagalarupi dina pergaulan, réréncangantéh bakal seueur,” ceuk Yasmin nungidolakeun pameget bageur, jujurjeung tanggung jawab ieu bari imut.Tapi ari dikolongan ngeunaanréréncangan “husus” mah, mojanganu mikaresep warna ping ieu téhukur umat-imut. Imut nu hésé nyu-rahan ma’nana. Saméméh mungkasobrolanana jeung MR, Yasmin anu

ngidolakeun Bung Karni jeung VinoG. Bastian ieu, titip salam kanggosadaya sobat Manglé Rumaja dimana baé ayana. Alamat bumi Yas-min di Komplék Villa PadjadjaranPermai, Blok B. 27/28, Kab. Ban-dung.***

(Naskah: Narti/Potrét:Kang Réisyan)

Almira Jasmine: Potograper atawa Dokter?

Page 35: Mangle 2455

Manglé 2455

“Bu urang ka Bandung yu!”“Iraha?”“Enjing subuh!”Eta teh obrolan urang lembur nu rek

indit-inditan. Saliwatan mah, taya nuaneh, da ukur obrolan! Tapi, wangko -ngan kaum ibu kawas kitu, karasana kuDety Mulyati, S.Pd., M.Pd., mah, nodelmamaras rasana. Enya, apan nu nyaritajeung nu diajak nyarita teh pada-padaurang Bandung, ngan dumukna di pa-sisian, Kota Bandung, wewengkon pagu-nungan.

Ngadenge urang Bandung, keur aya diwewengkon kota Bandung, ngajak kaBandung (nu hartina ka kota), pipikiranDety mah, boga pikir sejen. “Boa-boasalila ieu arinyana ngarasa teu meunangpanalingaan anu cukup ti pihak pa-marentah kota nepi ka ngarasa jauh kakotana sorangan ge,”pokna ka Manglesawatara waktu ka tukang.

Kasilih DeungeunUrang Bandung, mingkin dieu ming -

kin pasesedek. Nu asalna deukeut kapuseur kota, loba nu bubuara, parindahka beh tonggoh. Atuh, nu asalna ditong-goh, loba deuih nu leuwih ‘nyisi’, lan-taran ngajual lahanna, saterusnadi beulikeun deui ka nu leuwih ‘murah’diala ‘leuwihna’. Ngan, sanggeus aya dipasisian, jeung anggang ka puseur kota,loba nu ngarasa hayang nyumponankabutuh ti pasar mah, teu gampang, dakapaksa mun indit ge rebun-rebunkeneh. “Upama bade ka Pasar Baru (ku-loneun alun-alun Bandung- red.) seueurnu subuh keneh arangkatna teh,” ceukDety.

Padahal, memang teu sing jauh, mundisorang ku kandaraan kalayan lancar,bisa ukur sajameun ti dinya ka PasarBaru mah. Tapi, da puguh ti tonggoh kahandap, ka jalan Ujung Berung, lobakeneh lembur nu patalimargana teu lan-car. Ti tonggoh ka lebak, loba kenehjalan nu garekgok babatuan. Atuh, najankana motor, kana ojeg, angger kudungarayap, da puguh jalan teh pungkalpengkol, nanjak-mudun, lalegok, diba -rung ku taringgul babatuan. “Ulah dugika masarakat teh kasilih deungeun, ogengaraos teu dipalire pamarentah. Ulahdugi ka parundung!”ceuk ieu urangUjung Berung Bandung teh.

Urang BandungNajan Kasilih Ulah PundungBandung mah pangjugjugan. Loba nu datang jeung bubuara

di ieu tempat. Atuh, mingkin dieu pangeusina mingkin padedet.Ngan, naha enya urang Bandung loba nu pundung?

34

Dety Mulyanti, S.Pd., M.Pd.

Page 36: Mangle 2455

Manglé 2455 35

Dumuk di wewengkon kawas kitu,loba halangan-harunganana. Rek indit-inditan teu gampang. Atuh, kitu deuimun rek ngajual hasil kebon, bakal kalu-luh ku ongkos. “Hartosna, nu darumukdi tempat kawas kitu mah, kedahlangkung kenging perhatosan pa-marentah,” pokna.

Da, enya atuh, ceuk ieu dosen disababara paguron luhur teh, hesena‘akses’ patalimarga, matak hoream ing -kah-ingkahan. Kitu deui barudak nusakuduna nyaliar elmu, sarakola, arijalan jadi bangbaluh keneh, matakkarunya. “Barudak ge cape di jalan,”pokna.

Dina kaayaan kitu, ieu ‘urang kampus’teh ngarasa pisan butuhna pihak-pihaknu jadi panumbu catur, nu mampuhnarepikeun kereteg jeung kahayangmasarakat ka pihak pamarentah. “Da,memang sanes teu aya tarekah sapertosusul-usul ka pihak kelurahan, mung dateu kapalire,” pokna.

Nyanghareupan kaayaan kitu, hartina,cenah, kudu aya pihak-pihak nu bogakakuatan nepikeun kahayang masara -kat. Ku lantaran kitu, ceuk Dety, dirinangarasa bagian masarakat nu sawadinaboga kakuatan tea. Najan, enya dirinateh dosen, bisa nyarita jeung ngonsepkeur kamajuan masarakat, tapi da ukurditepikeun di kampus sarta sakapeungdiambeng di tatangga. “Teu gaduh kaku-atan jinek ukur gaduh pangaweruh sartaukur dicarioskeun mah,” ceuk ieu urangKomplek Pasir Jati, Ujung Berung, Ban-dung teh.

Upama nu keur jadi kacapangan Ban-dung Juara, ceuk Dety mah, mang-paatna ge kudu keur sakumna pihak. Nudumuk di puseur kota kudu ngarasa -keun mangpaatna dumuk di nu kawaskitu. Di puseur kota nu jadi pamung-pungan jalma rea, kudu babari meunangkasab jeung kauntungan tina rupa-rupajasa nu bisa ‘dijual’ ka balarea.

“Tapi, ayeuna mah, pribumi nu asalnacaket ka puseur dayeuh ge apan seueurnu kasilihkeun,” ceuk ieu Akademisi nuaktip dina rupa-rupa organisasi teh.

Upama Dety Mulyati, S.Pd. M.Pd., en-geuh kana kahirupan masarakat, me-mang kaasah mamaras rasana. Remenubral-obrol jeung kaum ibu, inyana bisangarampa kahayang umumna masara -kat. Cenah, kahayang rahayat mah, teusing lahuta, da ukur miharep hak-haknasalaku warga nagara. Atuh, mun dumukdi pasisian, saperti urang tonggoheunUjung Berung tea, kahayang mah,

sarana jalan teh alus, sangkan eta jalanteh jadi pangrojong kana lancarnapatalimarga masarakat. “Apan, pancenpamarentah mah sangkan masarakat,hirup jeung huripna,” ceuk ieu Dosen nukeur ngarengsekeun atikanana di S-3teh.

Satutas loba gaul jeung rupa-rupamasarakat, Dety ge pada mikawanoh kumasarakat sabudeureunana. Atuh,saterusna loba nu ngarojong sangkanmilu nyalonkeun jadi anggota DPRDKota Bandung. Sanggeus pada ngadong-sok, teu bisa majar kumaha. Cenah, arienya mah masarakat butuh ku tanagajeung kamampuhanana, dirina ge moalnyingkahan tanggung jawab.

Atuh, ayeuna teh, Dety Mulyati, jadiCalon Legislatif (Caleg) Partey Gerindra,keur Daerah Pilihan 4 nu ngawengkuAntapani, Arcamanik, Ujung Berung,Panyileukan, Mandalajati, Cinambo,jeung Cibiru.

Nu jadi panalingaan Dety ge lain ukurpagunungan, tapi deui masarakat nu ayadi lebak. Inyana ge mindeng ngarasa teugenah hate, mun seug ningali walungandi kota Bandung. Eta we geura, runtahteu weleh nyayeud, caina kacida kotornadeuih. Lian ti kitu gawir walungan ge, lirnu dilurjeunkeun, taya nu mirosea.Gawir-gawir nu sakalian dipake jalan,apan loba nu ditempatan diadeganwawangunan, saperti warung jeung sa-jabana nu katembongna teh keumeuhjeung matak sareukseuk. “ Tah, nukawas kitu teh, kedah dibebenah,” ceukieu Kandidat Doktor widang pendidikanteh.

Lian ti kitu, cai walungan ge remenkotor pisan. Sakapeung hideung,sakapeung warna-warni balukar caicelepan ti pabrik nu aya di wewengkongirangeunana. Anehna, ti pihak aparatka pihak pabrik ge kawas nu taya tin-dakan nanaon. “Nu kawas kitu ge, kedahdibebenah!” pokna.

Bandung Juara nu keur dijadikeunkacapangan. Hartina, ceuk Dety Mul -yanti, nu aya di Bandung mah kudu nupangpunjulna, nu panghadena. Atuhsual memeres kota, piraku teu bisa, asaldiurus ku nu bener-bener baroga kabi-asa jeung kabisa, lain ukur bibisa -anan.*** (Ensa/Nay)

Mahing urang Bandung pararundung

Pasoalan kota Bandung, butuh gawe rancage balarea

Page 37: Mangle 2455

36 Manglé 2455

Penca Silat minangka budaya asliIndonésia nu luhung ajénna,pinuh ku ajaran agama/moral,

nu geus hirup gumulung mangabad-abad lilana di masarakat jeung sume-bar ka satangkarak jagat, kiwari geusdimomorékeun ku para ahli wa -risna/para nonoman. Penca Silat di-anggap “budaya kampung” nu ajénnajauh sahandapeun budaya deungeun.Kukituna Masyarakat Pencak SilatIndo nesia (Mspi) minangka organisasinu ngarasa prihatin ku kasilihna bu-daya lokal ku budaya asing jeung min-imna kapadulian para nonoman/generasi panerus kana seni béla diriPenca silat jeung budaya urang,ngayakeun “Festival Pencak Silat In-donesia” di Gedong Kasenian SunanAmbu STSI Bandung , tanggal 7 Désé -mber nu Kaliwat.

Féstival alpukahna KementrianPendi dikan gawé bareng jeung STSI,IPSI, sarta Bandoengmooi téh, diiluanku 13 paguron nu aya di Jawa Baratjeung Madura (Joko Tole), Yogya,katut paguron ti Satria Muda Indone-sia jeung Pamur Batawi. Lian ti Fésti-val, poé harita gé digelar Seminar“Pencak Silat Membumi & Mendunia”nu dijejeran ku Prof.Dr. Endang Catur-wati (Direktur Direktorat Kesenian &Perfilman Dirjen Kebudayaan Ke-mendikbud RI), Wasekjen PB IPSIFahmi Wardi, jeung Dra. Popong OtjeDjunjunan (Anggota DPR RI) kalayandimoderatoran ku Wahdat MY/DedeSyarif HD. Lian ti éta, aya oge Work-shop nu dijejeran ku Wa Azisnu medarsilat Cikalong-Jalur Gan Uweh), KangAwang (Gerak Gulung), Ki YudhaWinata (Cimande), Ki Daus (UlinSera), jeung Gending Raspuzi (UlinLimbuhan) sarta workshop sacara si-multan ti aliran séwang-séwangan.Peutingna aya Sendra (seni drama)Pencak Silat “Back to Talek (BalikDeui Kana Sumpah) nu disutradraanku Wahdat MY jeung Panata SilatAsep Gurwawan.

Ku ayana MASPI ngagelar silatseni/sendra penca silat nu maké jejercarita, témbong aya kamotékaranjeung ciri nu mandiri ti paguronséwang-séwangan, teu saperti geraknu geus ditangtukeun ku IPSI nu mo-noton lantaran disaragamkeun. Dalamun hayang aya daya tarikna mahjelas silat téh kudu motékar, kududimekarkeun bari teu méngpar tinatatapakan/ jurus-jurusna.

Cek Mas Nanu, kemasan téh pen -ting keur daya tarik-kudu aya dayatarikna kasenian mah. Keun ari ju-rusna mah pan dipintonkeun ogé dinaadegan gelutna, gelut nu jadi hiji pin-tonan (seni) nu dibawakeun ku baru-dak pesilat sakitu rancingeusna. étajurus nu rancingeus jeung seukeut téhaya ngalagenana dina pirigan; kuayana pirigan méréa ombér keurkamotékaran nu ngibing, da lamuntaya pirigan moal apal irama-wirahmawirasa.

Lian ti kitu, ku ayana kagiatanMaspi nu ngayakeun pasanggirinarung kemprungkeun penca, ném-bongkeun yén penca téh kudu ngigelan

jaman ngigelkeun jaman ku gawérancagé. Silat kudu némbongkeunkabeungharan/kamotékaran dinaibing penca nu bisa mikat para nono-man.

Sejen deui kamandang pangamatHisbuloh Rahman nu nilik tina jurus.Cék pembina PB IPSI nu masih aktifti taun 1976, ditilik tina kamur -nian/orsinilitas mah berkah cenahkabéh gé gerak murni silat ti urang laintina béla diri bangsa dengeun. Tapidina kadariaan gerak, pariatif aya nupanceg aya nu asa-asa kénéh. Ogékabeungharan téhnik, utamana keurpaguron-paguron nu aya di JawaBarat, sok sanajan geus loba numotékar tapi perelu ditingkatkeun deuipariasina.

Jadi cindekna, cék éta jawara terahPalémbang ti paguron Tapak suci Yo-gyakarta, tina éta kagiatan bisa kapi -reng kualitas gerak –kapancegangerak kudu dironjatkeun deui. Ponkitu deui wangun tampilanana, kududiundakkeun sangkan leuwih pan -tes***

Asép GP

Féstifal Penca Silat Maspi

Salasahiji pintonan dina féstifal penca silat Maspi (Asép GP)

Page 38: Mangle 2455

Manglé 2455 37

Résés DPRD KabupaténBandung mangsa sidangIII 2013 éstu dijadikeun

kasempetan ku masarakat pi -keun nepikeun rupa-rupa pasu-alan anu salila ieu dikemu. Timimiti ruksakna infrastruktur,utamana jalan nu lain waéngawatesan kana kagiatan éko -no mi masa rakat, tapi ogé geusngabalu karkeun ayana “perangdingin” atawa mumusuhan didaérah wates nepi ka mahalnawaragad pipisahan. Mahalnabiaya ceréy geus ngabalukarkeunloba warga Kutawaringin, Kabu-patén Bandung teu boga idénti-tas.

“Biaya sidang perceraian nga-honta sajuta dugi ka sajuta rupia.Kumargi di Kutawaringin mahseuseurna buruh tani, atuh lapur teu tiasamayar, antukna pipirakan téh cekap dilebé wé,” ceuk warga Padasuka, Suyaman,waktu hadir dina acara résés anggotaDPRD, Sugih Sigianto, di Cibodas, Kabu-patén Bandung.

Suyaman nétélakeun, alatan pipisa-hanana ukur ku lebé, rangda jeung dudadi Kutawaringin teu barogaeun “sér-tipikat” nu ngajelaskeun setatusna. An-tukna, dina waktu nyieun KTP jeung aktakalahiran ogé jadi masalah lantaran seta-tus rangda jeung duda teu cukup kuomong, pihak Dinas Catatan Sipil Kepen-dudukan (Discasduk) sok ménta bukti nuresmi ti pangadilan agama.

Mémang, pokna, pamaréntah geusméré karinganan pikeun jalma nu miskinbisa maké Surat Katerangan Tidak Mam-puh (SKTM), tapi nepi kakiwari étakatangtuan tacan diterapkeun di Pengadi-lan Agama Kabupatén Bandung.

“Janten sim kuring nyungkeun ban-tosan ka déwan, kumaha carana supadosrangda sareng duda nu teu gaduh sérti-fikat ceréy tapi hoyong gaduh KTP, ulahdipersulit ku dinas nu terkait,” pokna,tandes.

Sedengkeun Kapala Désa Cilamé Kabu-patén Bandung mah, Alo Sobirin, nété -lakeun, balukar jalan nu anu ruksak tilu

désa di daérah wates geus mangtaun taun“perang dingin” atawa mumusuhan. Étatilu désa téh nyaéta Déesa Cilamé Kabu-patén Bandung jeung Désa Karyamuktisarta Nangerang Kabupatén BandungBarat.

“Malih sababara sasih kapengkerNangerang nyerang Cilamé, margi teusuka jalanna ditutup. Padahal éta jalantéh nuju ditambalan heula. Ari wara-gadna mah salian tina kas Désa Cilamétéh aya ogé bantosan ti Karyamukti,”pokna, waktu hadir dina kagiatan résésanggota DPRD Kabupatén Bandung, HAndi SulaemanSH.

Alo nandeskeun, jalan nu nyam-bungkeun antara Cilame–Nangerang téhjalan lintas kabupatén. Jadi nu wajibngabebenahna pamaréntah, lain urusandésa. Tapi, kusabab Pemkab Bandung ku-rang maliré, kitu deui Pemkab BandungBarat, antukna Désa Cilamé boga inisiatippikeun mémérés éta jalan ku cara gotongroyong. Harita nu ngarespon téh ukurKaryamukti, sarta mantuan boh materiboh tanaga, ari Nangerang mah nepi kakiwari ogé lebeng teu méré jawaban.Kalah datang warga jeung aparat désanangadémo Cilamé alatan teu panuju jalanditutup. Palayanan Rumah Sakit (RS)Soréang ogé jadi bahan aspirasi warga nuditepikeun ka déwan. Suyama nété -

lakeun, palayanan éta rumahsakit bogana Pemkab Ban-dung téh teu saluyu jeungharepan warga. Salian ti teuboga rasa kamanusaan téhogé rasa sosialna kurang pi -san, utamana dina mérépalayanan ka pasén nu makéjamkesmas atawa jamkesdanu kiwari jadi BPJS.

Pasén nu geus dijamin kupamaréntah, salian ti ditem-patkeun di tempat nu kurangmerenah téh ogé sok diwa-jibkeun meuli obat sacarakontan. Katangtuan sarupakitu tangtu baé karasa pisanbeuratna pikeun warga miskinmah, mana komo meulio-batna ogé lain di apoték tapi diperawat.

Wakil Ketua DPRD Kabupatén Ban-dung, Sugih Sugiarto, ngajéntékeun,ayana pasén nu ditempatkeun di ém-péran téh alatan rohangan tos pinuh.Lantaran kaayan RS Soréang mémanggeus teu layak, geus teu bisa nampungpasén nu datang rék tatamba. Ku kituna,dina taun 2014 Pemkab Bandung geusngararancang mindahkeun éta rumahsakit ka Cingcin, hareupeun terminal nuteu kapaké. Ngeunaan ayana jual-beuliobat ka perawat, sabenerna geus di-padungdengkeun di déwan tur haritadiréktur RS Soréang janji rék méméréséta pasualan.

Anggota komisi B DPRD KabupaténBandung, Andi Sulaeman, kedaljangji, as-pirasi warga ngeunaan jalan di daérahwates bakal dibahas di législatif. Dirinarék ngadesek ka pingpinan déwansangkan meredih ka Pemkab Bandunggeusan sagancangna ngungkulanéeta pa-sualan.

“Carana pan tiasa kerja sama antardaérah, Pemkab Bandung sareng Ban-dung Barat nu difasilitasi ku PemprovJabar. Atanapi Pemprov langsung nga-malirkeun dana kanggo daérah komplik,pikeun ngalereskeun jalan nu ruksak diCilamé-Nangerang,” pokna. ***

nunk

Réses DéwanTi Perang Dingin Nepi ka Mahalna Waragad

Pipisahan

Résés Anggota DPRD Kabupatén Bandung, H Andi Sulaeman SH diDésa Cilamé Kacamatan Kutawaringin Kabupatén Bandung.

Page 39: Mangle 2455

38 Manglé 2455

Sok sanajan Indonésia geusmerdéka puluhan taun, tapi réakénéh masarakat anu dumuk di

imah atawa padumukan anu henteunumponan kaséhatan tur kapantesanhirup di masarakat umum. Padahaldina pasal 28H ayat (1) amandemenUUD 1945 sarta Undang-undangNomer 1 taun 211 ngeunaan peruma-han jeung kawasan padumukan. Yénsaban warga nagara boga hak pikeunhirup raharja lahir jeung batin, bogatempat dumuk, sarta hirup di lingkun-gan anu alus tur séhat, anu mangrupakabutuhan dasar manusa pikeunngawangun manusa indonésia sagem-blengna, boga jati diri, mandiri turproduktip.

“Lian ti kitu, pikeun nyumponankabutuhan padumukan anu layakkanggo masarakat ogé ditempatkeunminangka targét kasabelas tujuanpembangunan milénium atanapiMGDS, nyaéta ngahontal hal anuleuwih maju dina kahirupan padumukmiskin di padumukan kumuh dinataun 202,” kitu ditétélakeun ku KepalaBadan Pemberdayaan Masyarakat

dan Pemerintahan Desa (BPMPD)Provinsi Jawa Barat, Drs. Arifin H.Kertasaputra, dina bubuka acara Bin-tek Pelaksanaan Perbaikan RumahTidak Layak Huni Taun 2013 di HotélNaripan Bandung, sawatara waktuanu kaliwat. Arifin ogé nétélakeun,éstu geus jadi tanggung jawab nagarapikeun ngalaksanakeunpangwangu-

nan perumahan sarta kawasan padu-mukan, sangkan masarakat bisa bogapadumukan sart nyicingan imah anulayak huni anu kabedag biayana sartanyumponan sarat padumukan anuséhat, aman, harmonis, tur manjang -sinambungan.

Papadaning kitu, dina ngabebenahimah anu teu layak huni éstu butuh kuaubna “satuan kerja perakat daerah”sacara gembleng, lantaran pasualanperumahan jeung lingkungan téhmangrupa tanggung jawab masarakatbabarengan jeung pamaréntah. Dinaéta kagiatan, BPMPD provinsi Jabarmah ukur méré fasilitas. Lamun en-gkéna aya bantuan hibah ti provinsi,éta mah ukur mangrupa doronganpikeun ngamotipasi partisipasi masa -rakat. Kagiatan Bimtek téh, ceuk Ar-ifin, kudu dijadikeun bekel panga weruh dina téhnis oparsional didaérahna séwang-séwang. Ogé dipi-harep lamun dina prakna ngoméan“rumah tidak layak huni” (Rutilahu)panggih jeung masalah, bisa didis -kusikeun babarengan.***

éép

Pasualan Lingkungan & PerumahanTanggung Jawab Masarakat jeung Pamaréntah

Page 40: Mangle 2455

Manglé 2455 39

Musnahna hiji wewengkon, kotaatawa desa, malah nagara, alatanbencana alam ti mimiti tsunami

Aceh, keremna sawatara Kacamatankasaeur leutak di Sidoarjo, tsunami Jepanganu disusul mawurna radiasi nuklir alatanrujadna hawu pembangkit listrik ku be-dasna cai laut anu tamplok ka darat, nepi kaangin topan anu cikeneh ngawut-ngawutPilipina, eta kajadian bisa disebut musibahrongkah anu ngabalukarkeun tumpurnahiji bangsa.

Kaayaan tumpur ludesna kota badagjeung pangeusina alatan bencana, nerek-abna panyakit akibat radiasi nuklir katutsangsarana kahirupan di nagara anu keurmeuweuh peperangan, dina al-Qur’an sokdiistilahan ku “ihlakul qoryah”. “Ahlaka”harti asalna; ngancurkeun, mateni, nyiksa,ucutan jeung nyangsaraken” sedengken“qoryah” hartina wewengkon anu rea eu-sina, bisa nagara, kota, kampung atawadesa. Jadi istilah ihlakul qoryah mibogaharti; kajadian rohaka anu ngabalukarkeuntumpur ludesna sakota, sadesa atawa nga-balukarkeun bangkrut jeung sangsarana ra-hayat di hiji nagara.

Kajadian bencana atawa peperangandina Al-Qur’an, henteu diguar tina sabab-musabab sarta kumaha cara nyangha -reupanana dina wates-wates kamampuhanmanusa, tapi bencana jeung peperanganmangrupa “alat” tina proyek “ihlakul qo-ryah” (pemusnahan kota). Perkara ieukalayan eces kurang leuwih 28 kali disebatdina al-Qur’an. Salasahijina kacutat dinasurat al-Isra ayat 16:

Jeung Nalika Kami rek ngancurkeun hijinagri, nya kami nimbalan ka jalma-jalmaanu hirupna marewah supaya to’at tapimaranehna kalakah parasek di eta nagrikukituna geus sawadina ka maranehnaditibankeun papasten kami, tuluy we Kamingancurkeun eta nagri nepika saancur-an-curna.

Ayat di luhur mertelakeun yen ihlaqulqoryah (pemusnahan hiji kota) dimanajeung iraha wae, mangrupa sunnatulah anupasti kajadian tumiba kahiji nagara, kotaatawa kampung anu tos nyumponan sarat-sarat obyektif na. Sakumaha kasabit dinasurat al-Hijr ayat 4:

Jeung Kami henteu ngabinasakeun hijinagri oge, iwal ti eta nagri teh geus nedunansarat-sarat obyektif anu geus ditangtukeun.

Sarat obyektif anu dimaksud nyaeta, ta-lajak gorengpatut pamingpin nagara, sartaahlak rujad rahayatna, sakumaha rea ayatanu negeskeun perkara eta. Saban tempatdi unggal nagara moal bisa salamet tinatahlikul qoryah, sok sanajan lokasi ge-ografisna jauh ti laut, gunung aktif atawahal-hal sejenna anu kasawang ngaba-hayakeun tur babari ngondang balai.

Pidawuh Alloh Ta’ala:

“Naha pangeusi nagri-nagri ngarasaaman bakal lolos tina siksaan Kami kamaranehna (anu datang) di wanci peutingmangsa maranehna keur sare tibra? Atawapangeusi nagri-nagri ngarasa aman tinadatangna siksa Kami anu datang mangsapanon poe ngulincir nalika maranehna keurarulin. Naha maraneh ngarasa aman tinaadab Alloh anu teu disangka-sangka. Moalaya anu ngarasa aman tina adab Alloh. Ka-jaba jalma-jalma anu rarugi” (Al-‘Araf:97-99).

Sakurang-kurangna aya tilu syaratobyektif anu ngondang tumibana tahlikulqoryah ka hiji nagri;

Kahiji, nalika nerekabna kadolimanmangrupa syirik jeung disarembahnaberhala ku meh saban pangeusi nagara. Pi-dawuh Alloh: “Jeng satemenna (pangeusi)nagri eta ku Kami geus diancurkeun nalikamaranehna migawe kadoliman, Jeungkami nangtukeun wanci anu pantes pikeunngancurkeun maranehna. (al-Kahfi:54).

Kadua, upama kasombongan jeung ke-takaburan geus nepi ka tingkat pan-gluhurna, nyaeta nganggap dirina pangerananu boga kawasa taya hinggana. “Laku lam-pah kaom Fir’aon katut jalma-jalmasamemeh maranehna nyaeta ngabo-hongkeun ayat-ayat Pangeranna, nya Kamingabinasakeun maranehna alatan dosa-dosana jeung Kami neuleumkeun kaom fir’aon sakabehna oge jalma-jalma anudarolim” (al-Anfal:54).

Katilu, lakulampah israf (kaleleuwihi)sarta sarakah dina sagala perkara. Pidawuh

Alloh; “Tuluy Kami nyumponan janji kamaranehna, Nyaeta kami nyalametkeunmaranehna katut jalma-jalma anu diker-sakeun sarta Kami ngabinasakeun jalma-jalma anu ngaliwatan wates wangen”(al-Anbiya:9).

Ceuk pihak sejen, ayana Pekan KondomNasional sarupa kitu, ngagambarkeun yenpamarentah teu kawasa nyegah rucah,malah siga anu ngabaekeun kana ayana ta-lajag sex bebas. Padahal cara anu leuwihpantes nyegah beuki lobana anu katarajangpanyakit AID, kucara ngarobah pola hirupjaung campur gaul, sakuduna anu ngaroradibekelan ajaran moral, lain dibere kondomsiga anu diheuyeukeun.

Lamun ceuk pangirong pamarentah yentalajag sex bebas di nagara urang geus teubisa dicawad, lintang ti kudu dibere alat,hartina pamarentah meungpeun carang,kana geus runtagna moral bangsa alatandigorogot ku budaya luar. Malah siga numilu ngarep-ngarep ayana lahan dagangpikeun ngajual hiji barang anu dipikabutuhku masarakat lantaran ayana akibat anumecenghul balukar pamolah atawa polahirupna (sex bebas).

Lamun kitu kanyataanana, teu pamoha-lan bangsa urang geus leuwih jahat tibatankaum Ad, leuwih ngamprud ti kaumTsamud atawa kaum Nabi Luth, anu geusbinasa alatan adzab Alloh Ta’ala. Naudzu-billahi min dzalik.

Sanajan terus dilakukeun panalungtikanpikeun nyieun alat super canggih anu bisanganyahokeun totonden bakal datangnatsunami, nyipta alat anu bisa ngadeteksiiraha bituna gunung merapi, sangkan munmusibah rek datang bisa kanyahoan. Atawanyieun pakarang anu canggih pikeunperang. Kabeh oge moal aya paedahna.Lamun tetela sarat obyektif tahlikul qoryahgeus ditedunan ku para pamingpin jeungrahayat pangeusi ieu nagri.

“Jeung kami geus ngancurkeun jalmaanu sarupa jeung maraneh. Mangka (naha)aya jalma anu ngajadikeun palajaran?”(QS. al-Qomar :51)

Wallohu’alam.

IHLAKUL QORYAH

Ku Juniarso Ridwan

Page 41: Mangle 2455
Page 42: Mangle 2455

Manglé 2455 41

14. Barudak Lalaki jeungBangkong

Aya barudak lalaki keur arulin,sukan-sukan di sisi situ. Ari karesepnaéta barudak malédogan bangkong nungarambang di tengah situ. Aya diantara na pamalédog barudak téh keunakana hulu bangkong nepi ka bangkongtéh tareuleum. Barudak mah suka seuribaé barungaheun.

Aya hiji bangkong anu nyarita,“Emh, barudak, kalakuan manéh kitutéh teu dipikir. Manéh kabéh niat ulinsukan-sukan. Ari kami sabatur-baturapan ngalaman cilaka gedé.

Hartina ieu dongéng: taya kalakuananu goréng, iwal ti jalma nganteur ka -resep kajeun matak teu ngeunah batur.

15. Monyét jeung Buah Sanin-ten

Aya monyét anu nimu buah sanintentina jukut. Éta buah saninten téh ayakénéh kulitna. Tuluy éta buah téhdigégélan, maksudna rék diarah eusina.Tapi bet hésé dipurakna, da teuas sartacangkangna cucukan.

Aya hiji monyét deui nu keurnempo keun kalakuan baturna ti kang-gangan. Éta monyét téh nyeung -seurikeun baé ka nu keur ngokosanbuah saninten.

Ari ceuk monyét anu manggih sanin -ten téh, “Ulah nemen-nemen teuingmanéh nyeungseurikeun kami, lantarankami gé apal lamun ieu buah sikinapulen semu amis, siga buah gayam,sanajan cangkangna rada teuas sartacucu kan.”

Hartina ieu dongéng: sagala kabisajeung kanyaho téh mimitina mah matakteu resep, malah matak hésé. Tapilamun dileukeunan dikeureuyeh, urangjadi bisa sarta hasil.

16. GalatikAya tukang mikat manuk galatik.

Jontrotna teu cicing-cicing, disada baébari nyisilan paré. Teu saeutik galatik nuaya di sakurilingna ngadéngé soranasarta pada nyalampeurkeun pamikat.Barang datang kana pikatan, manuk anuloba téh pada nyarita, “Euleuh di dieumah geuning loba paré, jeung éta deuiaya batur anu hayoh nyalukan ngajakdahar. Manis pisan pangajakna. Hayuurang ka daritu.”

Barang asup kana kurungpamikatan, éta manuk galatik téh beu-nang kabéh, sarta tangtu bakal manggihpati. Ngan aya hiji galatik nu teu beu-nang téh, da manéhna mah tara daékngadeukeutan pikatan.

Galatik jontrot nanya, “Nya saha euyanu mapatahan pinter ka manéh, numatak manéh tara daék deukeut kadieu?”

Témbalna téh, “Bapa kuring numapata han. Da ceuk anjeunna, ujang,lamun manéh dibibita ku milik anugedé, nu gampang beunangna, mangkaati-ati, sabab éta téh galagat nu matakhenteu hadé.”

Hartina ieu dongéng: urang masingwaspada kana pangolo. Ari pangolotangtu manis, tapi antukna sok jadimatak kaduhung.

17. Mencek jeung Tangkal AwiAya mencek diudag-udag ku

paningga ran, nyumput ngadedempésdina dapuran tangkal awi, buni teu tém-bong saeutik-eutik acan. Nu moronakaleungitan tapak. Sanggeus ngarasaaman, mencek kakara kaluar. Daun awianu tadi mindingan manéhna, kumencek dihakanan, nepi ka kadéngékokorosakan.

Singhoréng aya kénéh saurang

paning garan anu tacan jauh ti kebonawi. Barang ngadéngé nu kokorosakantéh, sarta apal mun éta téh mencek,manéhna nyalukan babaturanana. Teukungsi lila mencek téh katéwak.

Barang rék dipeuncit, mencekngomong kieu, “Nyawa kami téh rékdiaku jadi hukuman anu adil. Ari sababkami geus males goréng ka nu geus mérékahadéan ka kami, nyatana daun awi.”

Hartina ieu dongéng: nu nyieun ka-hadéan sok dibales ku kagoréngan. Sokdianggap wajar di alam dunya mah. Tapinu cidra tangtu engké meunang wawalesti Gusti Alloh Nu Maha Adil.

18. Dua LanjamAya dua lanjam, sapanday, sarua

wajana. Dipakéna sarua di hiji tempat.Tapi nu hiji mah tuluy disimpen di juru,aya sataunna teu dipaké-paké, nepi katai hiangan. Lila kalilaan, nu boga étalanjam ingeteun kana lanjam nu diten-deun. Ganncang baé dicokot.

Lanjam nu tai hiangan téh kagéteunnénjo baturna téa, nu sok dipaké unggalisuk. Katénjo pisan awakna alus sartahérang. Ceuk lanjam nu tai hiangan,“Héran kami mah nénjo awak manéh.Baheula rupa manéh jeung rupa kamitéh sarua. Nya naon nu nyababkeunawak manéh ayeuna jadi hérang? Arikami nu ngeunah-ngeunah nganggur,bet jadi goréng patut kieu.”

Ceuk nu ditanya, “Nya éta nu matakmanéh jadi goréng téh, lantaran ngang-gur. Ari kami nu matak jadi hérang kieutéh lantaran digawékeun unggal poé,nepi ka bisa ngungkulan manéh.”

Hartina ieu dongéng: jelema ngang-gur sok nimbulkeun niat goréng. Aripaga wéan tangtu bakal nungtun urangkana kabagjaan jeung kasenangan.(hanca)

Dongéng-DongéngPieunteungeun

Kénging: R.H. Muhammad Musa

Page 43: Mangle 2455

Lalakon Lutung Kasarung, hirupdina imajinasi masarakat Sunda.Tapi, eta dongeng teh, leuwih

narik ati masarakat waktu dipinton -keun munggaran dina layar bioskopmah. Matak, teu aneh upama saming -gu campleng, Bioskop Elita, Bandungjadi pangjugjugan. “Nu nongton, saurpun bapa, teu weleh ngantri,” ceuk R.H. Otong Toyibin Wiranatakusumah,nyoreang mangsa ka tukang.

Enya, jejer obrolan teh, nyarita -keun lalakon mangsa lawas. Imajinasiieu putra Wiranatakusumah gengalanglang mangsa ka tukang. Anjogka taun 1926 ka mangsana medal pilemLoetoeng Kasaroeng. Eta pilem lir batutatapakan. Dadampar wangunan pilemdi lemah cai. Nya eta pilem, karyabangsa pribumi nu munggaran teh.

Lutung Kasarung teh carita pantun.Dina abad ka-19 kungsi dicatet ku Arga -sasmita, mantri kundang kopiKawunglarang, nu saterusnadipublikasi keun ku C.M. Pleijte dinaVBG LVIII (1910). Eta caritangalakonkeun Guru Minda, urangKahiyangan nu salin rupa jadi lutung,turun ka bumi neangan pipamajika-neun. Ahirna, ngajodo jeung urangPasir Batang, Purbasari, putri bungsunu keur nandangan tunggara dikaniayaku lanceuk-lanceukna.

Pilem munggaran tea, jadi jejersawala di Aula Pascasarjana Unpas,Jalan Sumatera 41 Bandung, Rebo 11Desember 2013. Nu medarna, R. H.Otong Toyibin Wiranatakusumah(putra R.A.A. Wiranatakusumah), EddyD. Iskandar (pangarang), jeungAmartono Dekan Fakultas Film danTelevisi Institut Kesenian Jakarta.Panumbu caturna, H. AbdullahMustappa ( Wakil Pimpinan MajalahBasa Sunda Mangle).

42 Manglé 2455

Pireu tapi ‘nyarita’. Kitu Pilem

Loetoeng Kasaroeng mah. Natrat,

ngotretkeun galur carita.

Lir ngiberan, Sunda teh teu

weleh nembongkeun ketak

di bumi Nusantara.

***

Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum Paguyuban Pasundan

R.H. Otong Toyibin Wiranatakusumah

Nyawalakeun pilem Lutung Kasarung (ti kenca ka katuhu), Eddy. D. Iskanadar,Amartono, R.H.Otong Toyibin, sarta H. Abdullah Mustappa

Page 44: Mangle 2455

Eta pilem, dimedalkeun ku N.V.Java Film Company (1926). Sutradara -na, urang Walanda, G. Kruger jeung L.Heuveldorp. “Nu maraenna mahbangsa pribumi, kalebet pun lanceuk,da pun bapa mah salaku sinematografi,editor, sareng nu ngawaragadanana,”ceuk R. H. Otong Toyibin Wiranata -kusumah.

Eta pilem ‘pireu’ teh diputer dibioskop-bioskop di Bandung. Pinto-nan munggaran, di bioskop Elitasaming gu campleng, ti 31 Desember1926 nepi ka 6 Januari 1927. “Munghanjakal, kula warga ge teu nga-gaduhan dokumen tasi na, kantos ogemilarian ka nagri Walanda, teu hasil,teu tiasa nyandak salinanana, margitos reksak, ” pokna.

Saha atuh nu mokalan nyieun etapilem teh? Taya lian ti Raden AdipatiArya (R.A.A) Wiranatakusumah.Anjeun na teh bupati Bandung nu kate-lah oge Dalem Haji. Samemeh jenengbupati Bandung, kungsi mancen gawejadi bupati Cianjur kalayang jujulukTumenggung Wiranatakusumah. Diantara jasana, ngabedah rawa Cihea(Ciranjang, Cianjur), dijieun pasawa-han nu legana 2500 hektar. Tapaklacak jasana di eta tempat natrat sapertikagambar dina tugu pangeling-ngeling,“Ku jasana Raden TumenggungWiranatakusumah bupati Cianjur 1912– 1920, rawa reungit malaria ieu,dicipta keun jadi pasawahan upluk-aplak hejo lembok tur karaos hasilnakeur rayat turun-tumurun”.

Jabatan sejenna ge rupa-rupa. Diantarana, dina taun 1948 parlemenNagara Pasundan milih anjeunna jadiWali Nagara. Atuh, deuih di antaranateh, jeneng Menteri Dalam Negerimunggaran, oge ketua Dewan Pertim-bangan Agung (DPA) munggaran.

Lian ti pancenna ngaheuyeuk na-gara, karepna ngarojong mekarna senige dibarung ku prakna. Di pendopo gebiasa aya pintonan tembang SundaCianjuran kalayan mayeng. Kitu deuitulas-tulis, maher naker. Karya tulisna,diantarana wae Riwayat Kangjeng NabiMuhammad, Tafsir Surat Al-Baqoroh,jeung Lalampahan ka Mekah.

Nyeungitan SundaKetak R.A.A. Wiranatakusumah

kawas kitu, jadi kareueus balarea. Jasa-jasana natrat ngotretkeun tapak. Nya,ku lantaran jasa-jasana tea, nu di-antarana tumali jeung dunya pilem,Pengurus Besar Paguyuban Pasundange, mikareueus tur ngajenan pisan kanajasana. Eta sawala ge, ceuk KetuaUmum Paguyuban Pasundan, Prof. Dr.H.M. Didi Turmudzi, M.Si., wujudkareueus jeung tumarimanaPaguyuban Pasundan ka eta inohong.“Saha wae nu ageung jasana ka tatarSunda sareng ka nagara, tangtos payuspisan kenging pangajen,” pokna.

Dina eta acara, Paguyuban Pasun-dan ge masrahkeun pangajen ka Mis-bach Yusa Biran (alm). Anjeunna tehsutradara, panulis skenario, oge panga -rang. Pangajen ditarima ku Nanni Wi-jaya, garwa almarhum.

Ketak putra Sunda, ti waktu kawaktu terus natrat. Kituna teh dinarupa-rupa widang, kaasup widangpilem tea. Kamekaran pilem lemah cai,ceuk Deddy Mizwar, Wakil GubernurJawa Barat, teu bisa dileupaskeun tiJawa Barat. “Bandung ngarojong pisankana kamekaran pilem di lemah cai,”pokna.

Pangrojong Jawa Barat kanamekarna pilem di lemah cai, di an-

tarana, ku lobana bioskop di Bandung,husuna, di Jawa Barat umumna. Da,cenah, bioskop teh, di Jawa Barat mah,lain ukur di Bandung, tapi oge di kota-kota sejenna. Ari pilem, ceuk wagup nuoge aktor teh, butuh tempat ‘makalan-gan’, bioskop tea. Hartina, andilnaJawa Barat dina kamekaran pilemnasio nal teh teu bisa dilalaworakeun.

Ngan, naon atuh pangajenpamaren tah ka inohong ‘perpileman’ diJawa Barat? Najan R.A.A.Wiranatakusumah teh panaratas pilem‘pribumi’, tapi can kungsi narimapanga jen husus nu tumali jeung ‘per-pileman’ boh ti pamarentah boh tipihak sejen. Atuh, kitu deui dina Festi-val Film Indonesia (FFI) nu lumang-sung saban taun, ieu inohong teureuhSunda mah, kawas nu teu ‘kapotret’nepi ka tacan kungsi meunang panga-jen saperti ilaharna nu dianggap gedejasa.

R.A.A. Wiranatakusumah, ngendatninggalkeun tapak. Dina ingetanputra na, saperti R. Otong Toyibin,rama na mah teu sing itung-itungan un-tung rugi. Da, demi nyumponan kabu-tuh masarakat mah, kajeun ngajualjeung ngagadekeun tanah bogana pri -badi. “Papatah ka kulawarga ge apankedah, cinta ka rayat, asih ka abdi alit,”pokna. *** (Tim Mangle)

Lutung Kasarung

Lalakon Sunda di Nusantara

Manglé 2455 43

Papasrahan pangjen, ti Paguyuban Pasundan ka Misbah Yusa Biran

Page 45: Mangle 2455

TRI Ngan Aya di Kota Bandung

Anggotana Pelajar Mahasiswa

Hapunten, minggu pengkerNyusur Galur sababarahanomer diselang heula ku

lapo ran - laporan nu eusina ayakaita na sareng sajarah, diantawisnaPameran/Seminar Karajaan-karaja -an Sunda sareng perkawisAnugerah budaya Gupernur JawaBarat 2013. Diantawisna anukenging na téh Hotel Samudra anumasih nyimpen kamar 308 nu sohordisarebat Kamar Ratu Kidul. Ayeunaurang lajengkeun baé seratanpanineu ngan Bapa RH. Lily Suman -tri téa tina buku ‘Bunga Rampai,

Mangle nomer 2454 seratanparantos dugi ka kajadian Revolusi45 ngalawan penjajah Walanda.Sekutu sareng Jepang. Satersnanyariokeun kaayaan Bandung wak-tos lahirna Badan-badan perjuangansareng Laskar-Laskar. Ayeuna urangteraskeun baé kana hanca nukatunda.

Ku ngajelegurna ProklmasiKamerdekaan Indonesia 17 Agustus1945, bangsa Indonesia bébas tinakakawasaan asing jeung bébasngalakukeun kagiatan pamaréntahsorangan sabab ayeuna mah geussareng nangtung ku suku sorangan.Para pamuda kaasup pelajar maha-siswa jeung rayat bangkit babare -ngan sadar kana kawajibana geusanngarebut kamerdekaan ti Jepang,saterusna bébéla jeung mertahan -keun ti pihak asing anu harayangngawasa jeung hayang kénéh ngaja-jah Indonesia.

Munculna badan-badan perjua -ngan jeung Laskar-laskar di dayeuhBandung nyadareun para pelajarpikeun ulubiung berjung babare -ngan. Pancena lain sakadar diajartapi ogé berjuang ngalawan musuh.

Sanajan umur barudak téhkakara 15-16 taun rumaja kénéh tapigeus boga kadasaran tapi maranéhna

geus boga motivasi perjuangan anumantep. Bisa jadi seumangetjuangna ngagedur sabada dijajah kujepang salila 3,5 taun anu sok di -sebut saumur jagong. Maranéhnanyaksian malah ngalaman sorangankumaha kejemna tentara jepang karayat anu tanpa dosa.

Tentara jepang ngarampas hartabenda rayat, ngawajibkeun rodiatawa kerja paksa sacara kejem teumanudiawi, ngarampas kahormatansajumlah wanoja. Kerjapaksadipaksa keun bari alesana demikapentingan Perang asia Timur Rayaanu saenyana ngan sakadar ngaranda buktina mah euweuh. Loba mo-jang anu jadi korban tentarajepang nu cabul, loba rayat jadi kor -ban kabengisanana.

Pemuda Republik Indonesia(PRI)

Diantara para pelajar nu aya diBandung nu mimiti ngagabung kaBKR saterusna jadi anggota Badan-badan perjoangan saperti PRI,PESINDO, PASUKAN BERANIMATI, PASUKAN ISTIMEWA jeungsajabana. Hususna di kota Bandungsabagian gede pamuda nga -gabungna ka PRI pemuda RepublikIndonesia anu anggotana lain parapelajar wungkul, tapi ogé mahasiswaSTT atawa ITB ayeuna mah. Tokohpenting anu jadi pingpinan PRI Soe-jono gusu SMP, Mashudi, maha-siswa STT, Djuhro ogé ti STT, S.I.Tobing STT, Ahadi MangunkaraSMT, Saroso hurip SMT, Ukaspadma nagara SMT, Sambik SMT,Jeung anu séjén – sejena deui.

Mangsa harita ngan di kota Ban-dung aya PRI téh. Ari keur ngabinakakuatan para pamuda pelajar kuduaya wadah perjuangan anu ayana ditempat-tempat séjén. Kusabab itusabagian anggota PRI di Bandung

ngagabungken diri jeung PESINDO,(Pemuda Sosialis Indonesia), aya ogéanu ngagabung ka Ikatan PemudaPelajar Indonesia), di IPI aya anudisebut cikal bakal ngadegna TRIPnu sabagian gedé arasup jadianggota TRI Detasemen Pelopor. Nudipingpin ku Mayor DL Tobing,kapten Ukas Padmanagara, LetnanNondon jeung Letnan Eddi Akhir.

Awal perjuangan pisik nu di-lakukeun ku para pelajar pejuangnyaéta waktu nyanghareupan tentarajepang terus pasukan sekutu/Wa-landa.

Bitotama ogé waktu kajadianngarebut lapang pangapunganAndir, nyerebu markas Kempetai dijalan Sultan Agung ayeuna mahterus waktu kajadian banderajepang diturunkeun ku para pamudadi gedong Denis ayeuna mah Braga.Lian ti kitu, sering kajadian parapamuda babarengan jeung TKRngarurud senjata Hepang, jeung ka-jadian-kajadian heroik sejena.

Ngadegna laskar WanitaSabada BKR lahir di Bandung

28 Agutus 1945 kaum wanoja em-bung ninggalkeun manéh, maju kahereup milu ngabaktikeun diri keurnagara jeung bangsa, wanoja milunyekel sabuk milang tatu berjuangjeung kaum priya. Berjuang tanpapamrih tohpati jiwa raga.

Dina kajadian-kajadian pentingbarisan kaum wanoja aya di garishareup. Contona waktu Cikapundungamuk-amukan, Bandung caahrongka, waoja-wanoja ti BarisanLaskar Wanita Indonesia (LASWI)singkil babarengan méré balaban-tuan jeung pitulung. Harita 24malem 25 Nopember 1945 kajadian -ana caah Cikapundung téh. Lobakorban jiwa, kurang-leuwih 200urang warga kota maraot jeung tatu

44 Manglé 2455

Page 46: Mangle 2455

parna. Kalewed caah. Dipos-pos

kaaanan laswi ngurus anu taratuSabagian anggota mantuan PalangMerah Indonesia.

Waktu TRI bitotama ngalawantentara jepang, LASWI ogé mantuandi antarana di Piadeuk Pasirkalikijeung sabudereun setatsion Ban-dung. Pata pejuang anu taratudibawa ka garis tukang ti dinyaditeruskeun ka pos-pos PalangMerah LASWI oge milu bitotama dinaperetempuran au cukup ragot sabu -deureun lengkong Besar tepi k ciateul.

Kitu deui watu Cicadas dibombar -demen. Korban lplpbana rayat boasa,pejung oge aya.

Pangurus lswi harita di[ingpin kuIbu Arudji krtawinata, wakilnaIbuJuhaeni Maskun, jeung Ibu Isban -diyah, Ibu Nni Nani Ramani, ibuHera wati keimh oni Mami Sumarni,Sekrtarisna Ibu Tedj Setiasih

Masarakat gede ngajenanana kapara laswi anu beer-bener berjuangtanpa pamrih.

Ari mrkasna di gedong Mardiharjojalan Pangeran Sumedng 91 Bandung,ayeuna mah jaln oto Iskandar di Nata,saterusna LASWI disebutkeunngadegna 12 Oktober 1945.

Sabada Bandung Lautan Api 24Maret 1946 jeung kesatuan-kesatuanninggalkeun Bandung anggotaLASWI loba anu ngagabung jeug TRImilu ngagerilya, bitotama jeung Wa-landa.

SEKUTU datang ka IndonesiaCaturkeun tanggal 29 Deptember

1945 Laksamana Muda WR. Patter-son Panglima Skuadron Penjelajahka V Inggris jeung kapal perangCUMBERLAND cunduk di Jakartadibarengan ku ch. d. van Der plas,wakil kepala Netherlands IndiesCivil Administration (NICA) mang -rupa perwakilan keur ngawujud-keun pamaréntah sipil HindiaWalansa di Indonesia.

Tanggal 30 September 1945Panglima AFNEI ( Allied ForcesNetherlnds East Indies) LetnanJenderal Sir Philip Christison) jeungMayor Jenderal Hawthorn cundukdi Batavia.

Satuan-satuan nu dipingpin kuChristison diwangun ku Divisi Indiaka 23 nu dipingpin ku Mayor Jen-deral Hawtorn jeung Divisi India ka

26 pingpinan Jenderal Chambers. Divisi india ka 23 ditugaskeun di

pulo jawa, Divisi ka 26 ditugaskeundi Sumatra,.

Divisi India ka 3 diwangun ku3 Brigadeu, Brigadeu 1 BrigadeuMc. Donald keur wilayah BandungJawa Barat, Brigadeu Bethel keurwilayah semarang Jawa Tengah,Brigadeu mallaby keur SurabayaJawa timur.

Sakumaha anu dijangjikeun kuInggris dina Civil Affair Agrementkeur mantuan Walanda mulangkeunkakawasaan di wilayah Indonesia,Sir Philip Chistison ngilubiungkeun

sajumlah perwira markas BesarAngkatan Perang Walanda pasukanK.L (koningkelijke Legar) jeungurut pasukan KNIL.

Lianti ulubiungna jeung Inggrisnu ngakukeun diri SEKUTU, wa-landa boga tujuan jeung kahayangnanjeurkeun kakawasaan di indo -nesia.

Tugas poko Sekutu nyaétangecagkeun senjata jepang jeungmasalah penting bari ménta perha-tian

RAPWI ngurus tawanan perangSekutu jeung Jepang jeung warga -nagara urut tawanan jepang.*** HRS

Profil Tentara PETA

Manglé 2455 45

Page 47: Mangle 2455

46 Manglé 2455

Teu bisa dipungkir, ayanasindén éstu jadi salasahijimamanis tur pamikat dina

rupa-rupa pagelaran. Sorana nuhalimpu wuwuh matak ngayun-ngambing anu lalajo. Mana komolamun dibarung ku dilak jeungréngkak, tanwandé bakal réa anukapéngpéongan.

Sadar kana kuatna daya pikatsindén, Dinas Pariwisata danKebudaya an Provinsi Jawa Baratkalawan gawé bareng jeung Pangau -ban Kawih Sunda Jawa Barat ngage-lar pagelaran Paradeu BéntangSindén “Ngalagé” di gedong SunanAmbu Sekolah Tinggi Seni Indonesia(STSI), tanggal 3 Desember anu kali-wat kalawan midangkeun sindén-sindén petingan nu aya di JawaBarat, nyaéta sindén Bajidoran Su -bang (Ros Royani), Ronggéng CokékBekasi (Sri Herma Suryani), PencaSilat (Iis Rohayati/ Si Jangkrik),Ronggéng Gunung Ciamis (BiRaspi), Bangréngan Sumedang(Mimin Setiawati), Topéng BanjétKarawang (Epa Sukaésih), sartaTayuban Cirebon (Titik Betrik).

Rawuh dina éta acara di antara -na Wakil Ketua DPRD Jabar UuRukmana, aktor Rahmat Hidayat,

Kepala Dinas Pariwisata danKebudaya an Jawa Barat, réngré nganpangajar STSI Bandung, jeungdalang Asep Sunandar Sunarya.

Paradeu sindén dibuka ku IisRohayati nu ngahaleuangkeun lagu“Kembang Kawung”. Bérés bubuka,Iis Rohayati nu nelah Si Jangkrik,laju némbongkeun momonésnangawih bari metakeun jurus silat.Gerakanana anu rikat tur rancingeswuwuh ngalantarankeun GedongSunan Ambu gumuruh ku surak nulalajo. Iis Rohayati bangun nuhayang némbongkeun dua figurwanoja Sunda, lungguh timpuh tapitapis dina kasantikaan.

Bérés Si Jangkrik, diteruskeunkana pintonan sindén RonggéngGunung nu dihaleuangkeun ku BiRaspi nu dibarengan ku tariansaurang ronggéng. Sora ngalaeu BiRaspi ngajak nu lalajo pindah kanasuasana has pagunungan anu tiistingtrim. Sok sanajan wirahmanabasajan, nu lalajo “kabetot” kanasuasana sakral Ronggéng Gunung.Rongéng Gunung mémang lainsakadar hiburan, pikeun masarakatpakidulan Ciamis mah RonggéngGunung téh mangrupa kaseniananu dipakaitkeun jeung upacara

Bi Raspi, midangkeun Ronggéng Gunung di STSI Bandung (dédé)

Momonés

Béntang

Sindén

di STSI

Page 48: Mangle 2455
Page 49: Mangle 2455

CENAH, ngalamun boga duit sapuluhrébu jeung ngalamun boga duit sa-miliar, sarua capéna. Ku kituna

mending ngalamun boga duit samiliar. Apanari ngeupeul duit samiliar mah, aya artisgeulis kakara boga mobil dua, sok dipang-meulikeun hiji deui. Aya modél campereniknu can boga gedong sigrong, kari sok konciapartemén.

Tah, cenah deuih, Pamaréntah ProvinsiJawa Barat ngalamun—nyieun gedongsigrong jeung rongkah tur rohaka. Étagedong nu pangbadag-badagna sa-ASEANtéh, mangrupa gedong kasenian. Dipakénalain ngan keur pintonan kasenian waé tapidieusian ku rupa-rupa kagiatan kabudayaan,kaasup sastra. Malah, Dinas Pariwisatajeung Kabudayaan (Disparbud) Jawa Baratmah rikat “néwak” maksud Pemprov kutatahar ngeusian wadah sanajan masihkénéh aya dina panglamunan téa ogé.

Teu nanaon, piraku teu ngimpi-ngimpiacan mah. Loba nu tadina ukur aya dinapangimpian, kaimpi-impi, atawa panglamu-nan beurang peuting, teu burung ngajang-gélék jadi barang nu pikareueuseun. Hartinateu kabéh ngimpi teu ngabukti. Teu kabéhlamun, mubah. Ngan ulah tarik teuing wénghalamunna bisi jadi jalma “teu damang”.

Atuh hayu wé urang ngalamun nu teukapalang . Ulah ngalamun céték-céték. Dinalamunan téh sing ngajungkiring mangrupagedong kasenian nu legana puluhan héktar,cara nu dijieun ku bangsa Arab, Cina, jeungAmerika Serikat. Teu kapalang deuih étagedong téh jadi puseur rupa-rupa kagiatanseni budaya. Iwal tempat pintonan rupa-rupa kasenian boh buhun boh kontémporér,kasenian kamar (ukustik) tepi ka seni obyag(kolosal) téh, aya tempat paméran lukisan,arsitéktur, seni instalasi, gagarabah, pa-parabotan imah jeung tatanén, pakarang,fotografi, kulinér, industri kréatif, seni kriya,tata busana, tata rias, pinton anggon, jeungsajabana. Saban poé aya paméran nu bagilir.

Di éta gedong téh deuih, aya tempatdiskusi, seminar. Aya rohang pikeunnémbong keun prak-prakan nyieun gamelan,angklung, wayang, kedok, busana pang-gung, nyieun lawon ku tinun kentreung, carangabatik, malédang, ngamasan, manday,nganyam, jeung sajabana.

Masih kénéh di gedong seni budaya, dibéh tukang, rada ka jero, aya tempat latihankarawitan, ngadalang, nyindén, maén sandi-wara, téater, ibing, penca, kawih, cinajuran,

jeung sajabana. Naha bet rada tukang? Apanrada hareup mah aya rohangan pikeun pusatdata kabudayaan Jawa Barat, ngurung basa,sastra, aksara, jeung kasenian. Ngaranna gépusat data (data base), eusina gé tangtukomputer, laptop, kaméra vidéo, projéktor,cd, vcd, overhead, in focus, televisi ti numeujeuhna tepi ka big screen nu layarnasagedé bioskop téa, jeung layar, boh layarmaneuh boh layar gulung, mesin fotokopi,jeung sajabana.

Sagala rupa data ngeunaan basa, sastra,aksara, jeung kasenian dikumpulkeun.Kabéh asup kana data base. Kamus basaSunda, kamus basa wewengkon, toponimi,tiori basa, kabeungharan kecap, babasan,paribasa, sarsilah basa, jeung sagala rupa halnu aya patalina jeung basa Sunda, Cirebon,Indramayu, Melayu Bekasi, Banten, jeungsajabana, asup kana kamar data séwang-séwang tapi ngahiji dina puseur data base.Kitu deui perkara sastra, ti mimiti wangunsastra kayaning prosa, puisi, dangding, pan-tun, jangjawokan, boh nu bihari boh nu ki-wari, boga kamar data séwang-séwang.Sakumna karya tulis, diasupkeun kanakamar data pangarang ti mimiti nu anonimtepi ka pangarang nu panganyarna, ulah ayanu kaliwat. Aksara ogé boga kamar datasora ngan, ti mimiti aksara palawa, pakuan,pégon, cacarakan, laten, jeung kaganga,

Sakur kaulinan, kasenian, jeung adatistia dat saban wewengkon di Jabar aya.lalaguan, kakawihan, tatabeuhan, ibing,penca, réog, dogér, longsér, tanjidor, domrét,topéng banjet, topéng bekasi, topéng jantu -kan, wayang patéhi, wayang kulit, wayangcepak, wayang pakuan, wayang golék,wayang ajén, wayang karakter, jeung sajaba -na wajib aya data, gambar, katut conto pin-tonanana.

Nu nyampak di puseur data téh bohbasa, sastra, aksara, boh kasenian tepi kabubuk leutikna téh, teu kudu barangna tapicukup data base nu sipatna computerize. Étacyber information teh bisa diaksés ku sahawaé boh pikeun panalungtikan, bahanskripsi, désertasi, boh pikeun saha waé nuhayang nyaho, kaasup para wisatawanmanca nagara. Maranéhna kari datang kaPuseur Informasi Kebudayaan (PIK) JawaBarat atawa cukup ku ngakses internét.Upama na waé manéhna butuheun dataperkara carita Karnadi Anemer Bangkong.Operator kari muka konci kamar data sastraterus muka peti data pangarang Yuhana.

Bréh wéh file Karnadi sapuratina, numedalkeunana, taun medalna, jumlah kaca,jeung sajabana. Riwayat nu ngarangna, kaa-sup potretna mun aya mah. Nu boga karepnalungtik domrét, upamana. Operator karimuka kamar data kasenian. Ti dinya terusmuka peti data seni tradisional Karawang.Diklik téh ujug-ujug bérébét wéh dina moni -tor, data perkara domrét tepi ka bubukleutik na, diwuwuh ku gambar/potrét pinto-nan. Taun sabaraha éta kasenian téh ayana,iraha bangkarna.

Lamun téa mah nu nalungtik téhhayangeun nyaho bungkeuleukanana, munbuku hayang maca bukuna, PIK kari mérérékomendasi, éta jalma téh sina datang kaPusat Arsip/Perpustakaan Daérah JawaBarat. Mun manéhna hayangeun nyahopinto nan domrét,.kari nuduhkeun kamusieum baé. Jadi PIK mah lain perpusta -kaan, lain balé arsip, jeung lain musieum.PIK mah pueur data perkara basa, sastra, ak-sara, jeung kasenian. Dina prungna gawékudu diwangun sinergitas antara PIK, BalaiArsip/Perpustakaan Daérah, jeung MuseumKabudayaan Daérah. Alusna mah tempatnaogé ulah bacacar atawa paturenggang.Ngahiji mangrupa komplék kabudayaan.

Lahuta? Ah, teusing. Asa kapalangngalamun céték-céték mah. Sarua jeungngalamun boga duit sapuluh rebu ari saukurngalamun boga Pusat Dokuméntasi Sastra,cara nu ditaratas ku HB Jasin mah. Geusmimiti teu usum numpuk-numpuk arsipmangrupa keretas jaman kiwari mah. Apanku Ketuana—Kang Ajip, éta yayasan HBJasin téh kungsi rék dibubarkeun.Ngumpulkeun jeung ngurus sarupaningtulisan, catetan, jeung buku mah apanmang rupa pancén atawa alasna BalaiArsip/Perpustakaan Daérah. Prasasti, batutulis, lontar, gagarabah, pakakas, jeung saja-bana, sina digarap ku musieum wé. Dirojongwéh ku saréréa ambéh eusina rempeg,nyimpen na bérés, catetanana puguh, nungurusna titén.

PIK mah mangrupa puseur data sagalarupa hal nu aya pakaitna jeung kabudayaan.Nu arék ngaksés data, boh pikeun kapenti -ngan panalungtikan boh komersial, karineueulkeun kenop léptop tapi tangtu kudupuguh balitunganana. Éta téh geus digarapku Sundanét, kari ngaronjatkeun bahanjeung pakakasna. Ajakan sina babarengan diPIK jeung LBSS, PPSS, katut sakurpanglawungan seni.**

Urang Ngalamun

Boga ”Pusat Informasi Kebudayaan Jabar”

Ku Us Tiarsa R.

48 Manglé 2455

Page 50: Mangle 2455

Tepung Sabéngbatan(Kinanti)

Waktos munggaran patepungdagdigdug rasaning atitos kantenan seseblakangumeter satulang sandinumawi asa nembéan lalanjung niténan diri

Geuning kalah teras émutimut nyari wengi tadipadahal ukur salalarpatepang paturay deuiti dinya teras kagémbangkapentang jamparing asih

Duka raraosan wungkultagiwur dikantun pamitguligah pukah teuteupanpadahal ana dipikirteu kungsi kedaling lisankantenan ngumbar kaasih

Ku hoyong teuing migandrungmiasih reujeung miatiterasna anteb mitresnajirim gaib peuting tadimana teu bungah bungangangsumawonna bagja ati

Ari nu dilamun-lamunmugia pareng ngajaditinekanan nya harepanpinanggih geusan pasini

sumeja nyangreudkeun rasanyandingkeun asih nu wening.

Cidadap, 05-September-2013

I Wahyudi SofyanMahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah 2010

Manglé 2455 49

Page 51: Mangle 2455

Waktu kajadian musibahGunung Galunggungbitu, kuring ti unit SAR

peutingna sanggeus kajadian, nga-haja arindit ka Tasikmalaya sejamilu mantuan nyalametkeunmasarakat anu kakeunaan kumusibah.

Harita indit téh aya kanatujuhan ana, kaasup Si Asbo.Sapanjang jalan antara Bandung-Tasik teu aya deui nu jadi bukurcatur manéhna mah ngan sualawéwé. Manéhan boga harepansugan jeung sugan engké di mananepi ka Tasik bisa wawanohanjeung mojang Tasik.

Datang ka Tasik kira-kira wancijanari. Anu pangheulana di -datangan nya éta Kantor PemdaTasikmalaya, utamana mah salianti rék masrahekun sarupaningbabawaan kayaning béas jeungsuper mie, ogé kuring seja baktitanaga pikeun milu mantuannyalametkeun para pangungsi. Kukituna kuring saréréa merlukeunrupa-rupa katerangan kaayaan ditempat kajadian.

Sanggeus ngareureuhkeun ka-capé, isukan poé Salasa kuringsaréréa milu ngagabungkeun dirijeung satgas Korban Benca Alam.Arindit ka lokasi tempat kajadianpikeun ngakutan nu ngungsi anumasih katingaleun. Sajeroningngangkutan ti Desa Linggajati kakota Tasik anu anggangna aya kana

tujuh belas kilometer. Alhamdu -lillah aya dina kalancaran, katem-bong pisan barudak téh gariatpisan dina baranggawena sok sana-jan bari kurang saré.

Paubeurang sabada ngakutanpara pangungsi, kuringsaparakanca merlukeun ngalo -ngok ka tempat panampunganpara korban benca alam nu aya diGedung Serbaguna di jalanDadaha. Maksud téh taya lianpikeun ngayakeun pangobatandarurat. Di jero wawangunansabot Si Nano keur ngudulkeunubar-ubaran, celenun Si Asbonyokot sababaraha ples obat tetespanon kumplit jeung kapasna.Leos manehna indit ka te ngah-tengah gundukan para pangungsi.Kalawan teu make papariksa deuingan creet... creeet bae panonpara pangungsi téh dipeureuhan,basana téh bisi ka asupan lebuGalunggung cenah. Atuh haritakeneh oge ngan bring bae parapangungsi téh nyalampeur keunka Si Asbo.

“Den... abdi heula den! Pa abditeu acan Pa...!”

Para pangungsi recok menta di-ubaran paheula-heula. Atuh puguhwe Si Asbo jadi kawalahan ari di -serbu kitu mah.

“Mangga...! Mangga...! Sadaya -na oge bakal kabagean, malah su-pados teu heurin teuing, saenamah caralik di tempatna masing-

masing engke oge ku abdi di-dongkapan.

Atuda ari ku kitu tea mah asa nuteu rek percaya ka manehna téh, danyarangkana téh ka Si Asbo lamunmanehna lain dokter sakurang-kurang na oge mantri ti salah sahijirumah sakit, kitu sotéh lamunningali kana papakeanana anu singsarwa bodas. Ngan edas ditingali-tingali téh ngubaranana bet sigaanu pipilih. Simanahorengmanehna mah ngan hayangnyabakan lemes jeung limitna pipiNyi Mojang Desa. Da ari aya aki-aki mah atawa nini-nini anu koro-mod pipina, diliwat we kumanehna mah sanajan digeroanoge.

Aya awewe rada tegep rupananyampeurkeun ka manehna, poknyarita: “Den, abdi mah nyeripadaharan nyuhunkeun pel Cibawe upami aya mah.”

“Euh mangga... mangga engkedikintun nya! Ayeuna mah nupenting soca heula!”

Bari ngomong kitu téh ngandangheuak sirah si awewe téh di-tanggahkeun. Creeet... creeetpanon si awewe téh dipeureuhan.

Kuring jeung Si Nano, nempoparipolah Si Asbo ngan ukur bisaseuri. Basa digeunggeureuhkeunwaktu kuring sarerea geus aya dinajero mobil, basana téh... “nu pen -ting panon heula!” cenah.

***

50 Manglé 2455

Soca ti HeulaKu Adit M. Santika

Page 52: Mangle 2455

Nu Mokaha jajan BasoSebut baé lah tatangga anyar, nyaéta

anyar katingalina ogé, duka pindahantimana-manana mah, can pataremaomong, sajodo cigana mah, ngan cankatémbong salakina numana. Disebuttatangga baé imahna téh imah kontrakanaya sababaraha kamar, teu anéh min-deng aya tatangga anyar, kasebut kon-trakan aya nu kaluar aya anu asup, ieuogé meureun kakara sapoé dua poe, teuanéh mun kakara harita nyahona, pasa -ngan muda tea, umurna teu sahanda -peun dua pulun tauna.

Kanyahoan tatangga anyar téh pédahti jero kontrakan aya anu ngageroantukang baso.

“Mang! Baso mésér! Antosan!”Tukang baso eureun lebah lawang

kontrakan, aya nu kaluar awéwé ngorakénéh, nya pakéanana mah biasa baébarudak ngora, teu wawuh deuih anyartéa.

“Ke antosan!” manéhna ngaléos ka-jero deui duka rék nyokot naon.

Ari kaluar deui.“Astagfirullohhaladzim !!!”

Si eneng téh geuning kaluarnamawa bekong plastic beureum, taksiranéta bekong plastik téh asup béas dua létermah, Hihihi! Hate seuri sorangan.

Omong cenah rék meuli baso, ari nudibawa bekong pelastik téa. Diasongkeun téh katukang baso, tukangbaso ogé rada ngaregog nampananwadah sagedé kitu

“Sabarahaeun, Neng?”“Lima rebueun , Mang!”

Si emang baso siga anu nga-jengjen,meureun kakara harita nu meulibaso lima rebueun wadahna bekongpelastik, tapi teu lila bekong téh ditampa -nan ogé, ngalarisan meureun.

Pikiran téh enya meureun si Enengtéh anyar pindah, meureun parabotannu dibekel can dibébérés padahal naonhéséna nyokot mangkok hiji nga-heulaken keur meuli baso. Atuh can siapmangkok di imah pas aya mangkok nudagang, engke dijero dieurihkeun deui,rék kana bekong, baskom, atawa emberogé teu masalah, teu openan. Tonggoybae ditinggalikeun ti jero imahtukangeun jandela.

Tukang baso ngaladangan, bangunaneheun waktu ditingalilkeun teh, nga -ladangan baso bet kana bekong sagala,

sok basona, tahuna, siomayna, basosiomay téa. Lima rebueun wadahnabekong, bekong téh digodeg-godeg,ngarah galo sugan jeung bumbu kacang -na.

Éta polah anu meuli, hihihi!! maképipilueun gudag-gideg nurutan godegnabekong.

Ari sugan téh cukup ku kitu, bekongtéh tuluy di geyong-geyong, kawas budakkeur ngageyong-geyong kaleci atawa bal.Sirah si Eneng bet ngageyong ogé.

“Nganggo lada, Néng?”“Muhun Mang, sakedik wé.”“Mangga, neng!”Disambelan digeyong deui, nga -

geyong deui, éta sirah si Eneng, tuluyasup ka kontrakan. Kuring buru lumpatkaluar ti imah.

“Mang! Mang! Dagoan sakeudeung!”“Bade meser, Pa?”“Moal! Aya nu rék ditanyakeun!”“Perkawis naon tea, Pa?”“Kunaon tadi pas ngaladangan baso

tadi digeyong-geyong ?”“Saurna teh, ngarah karaos pelem!”“Euh… Paingan atuh!” Bari ngembang kadu.

Apih SuratmanCimangkok – Sukabumi

Aya BuayaIeu pangalaman ditulis deui, taya

maksud nanaon mung hayang mulang -keun panineungan ka pun ua nu ayeu -na geus teu aya dikieuna. Kajadiananamah geus puluhan taun ka tukang. Ariua pameget teuing ku ngewa kana cak-cak, sapertos budak wae lamun parengaya cakcak teh sok bibirigidigan. Malahse ring pisan Ua pameget miwarang Uaistri nyemprotan cakcak dina tembokatanapi lalangit imah sangkannyaringakah.

Hiji waktos Ua istri ngadamel gule kusirah domba kanggo Ua pameget. Kumargi Ua pameget mulih kantor, Ua istrinuju teu aya, mung tuangeun mah tosdisadiakeun nya eta gule sirah dombatea.

Waktos Ua istri mulih ka bumi,ngaraos reuwas, pedah gule tea tosngabayabah dina meja, atuh hulu dombangajurahroh di kolong meja makan.

Ua istri ngaraos reuwas, nyangkanamah Ua pameget bendu pedah dikantun

tuang nyalira. Barang Ua istri naros ka Ua pemeget

ku naon gule domba dibahekeun, naatuh waleranana: “Bongan wae ayabuaya dina gule.”

Ua istri bari imut ngawaler: “NA atuhKang aya cakcak-cakcak wae, gule meunikudu ditamplokeun sadayana.”

Slamet WitresnaJl. Bhayangkara No. 101

Sukabumi

Roti BuayaIeu mah pangalaman teh anyaran

kaliwat. Adi kuring nu bungsu disunatan.Disunatannana teh geus asup sakola.Ceuk indung jeung bapa mah matak geusasup kelas 1 disunatan teh ngadagoanrido na.

Ngan orokaya, ari geus gede mah adikuring nu rek disepitan teh loba pisanpamenta jeung sarat-saratna. Hayangitu-hayang ieu, kudu nanggap singadepok jeung kudaronggeng jeung sajaba -na. Atuh indung jeung bapa oge teu bisanolak ari eta pamentana mah.

Salah sahiji pamentana teh hayangroti buaya. Palebah roti buaya, aya kaja-dian nu pikaseurian nu kaalaman ku Bibikuring nu ti Ciwidey. Ilaharna mun keurhajat, dulur-dulur teh daratang mantuansagawe-gawe.

Bibi kuring nu ti Ciwidey teh ti kam-pung pisan. Barang keur pakpikpekmasak idangan keur mulang nu nyaram-bungan. Bibi kuring ngelol ka kamar adikuring nu geus disepitan, na teu lilangagoak bari lumpat ka tengah dapur numayakpak ku dahareun jeung idangan,teu nolih titincakeun, sasatna mahnotog-notogkeun maneh.

Atuh sabagian idangan teh pejet di-galey ku nu lumpat. Barang geus radaleler jeung pada ngariung ku sarerea,kakarek bisa ngomong.

“Itu di kamar Si Ujang aya buaya!”cenah bari bibirigidigan.

Na ari barakatak teh sarerea nunyaksian polah bibi kuring ngabarakataknepi ka ngarehkey. Ari Si Bibi mah ukurolohok.

“Dasar urang kampung bau lisung!”ceuk bapa kuring rada nyereng. “Roti ogedisebut buaya!”

Atuh sapanjang hajat teh si Bibi teuweleh digonjak ku dulur-dulur nu saruamantuan hajat.***

Rahmia KhoerunnisaSastra Sunda Unpad

Jatinangor - Sumedang

Manglé 2455 51

Page 53: Mangle 2455

WawanohanJajaka: "Hey, tiasa kenalan?"Mojang: "Mangga."Jajaka: "Anak mana?"Mojang: "Salaki oge acangaduh, komo anak!"Jajaka: "Maksad teh linggih di-mana?"Mojang: "Nya di bumi atuh,maenya di supermarket."Jajaka: "Tempatna dimanamaksud teh, nyuhunkeun nohape wae atuh Neng?"Mojang: "Teu kenging ahKang!"Jajaka: "Har, naha?"Mojang: "Abdi mah munggaduh hiji no hapena oge, pamidisuhunkeun ku Akang mahatuh abi teu gaduh deui." ceukSi Mojang bari ngaleos.

Rizky M. RomdhonOwner @anggoanBDGRT 01/06 Ds. Cikoneng

Soreang – Kab. Bandung

NgawayuhSalaki: "Yang, pami Akangnikah deui diwidian henteu?"Pamajikan: "Mangga wae, tapiAkang kedah diajar heula gram-mar basa Inggris nu bener!"Salaki: "Asik, kumaha carana?"Pamajikan: "Lamun hiji mobilsingular basa Inggrisna one car,jeung dua mobil (plural) two

cars!"Salaki: "Gampang atuh etamah, tinggal nambahan 'S' di-tungtungna?"Pamajikan: "Enya, eta saruajeung niat ngawayuh Akang!"Salaki: "Maksudna?"Pamajikan: "Lamun istri Akanghiji MAMPU! lamun dua istriakang MAMPU-S!"Salaki: "Tobaaattt... Am-punnn!!!"

Rahmia KhoerunnisaSastra Sunda Unpad

Jatinangor - Sumedang

Uyuhan“Uyuhan nya urang ditu mah,sakitu panas poe mentrang-mentring oge mamake baju ha-neut?”“Urang mana?”“Eta urang eskimo, nu aya diAlaska!”

Rizky M. RomdhonOwner @anggoanBDGRT 01/06 Ds. Cikoneng

Soreang – Kab. Bandung

KB“Duh Kang, asa hayang barangtuang wae ieu teh, pasti gara-gara di KB meureun nya?”“Kuduna mah atoh dahar waeteh, meh sehat, meh lintuh.”

“Ih, puguh embung ngagendu-tan deui. Ieu ge geus asabeukah.”“Geus atuh isukan mah Akangwae nu di KB-na, hayang gen-dut puguh.”

Rizky M. RomdhonOwner @anggoanBDGRT 01/06 Ds. Cikoneng

Soreang – Kab. Bandung

Urang Indonesia"Urang Indonesia mahjaragoan. Geura wae bandu -ngan: Urang Palembang resepngadahar kapal selam (empe-empe), urang Batawai resepngadahar roti buaya, urangMagelang leuwih jago resepngadahar baso granat, komourang Bandung mah euy, resepngadahar Bata Goreng(batagor)."

Rahmia KhoerunnisaSastra Sunda Unpad

Jatinangor - Sumedang

Teu NgeunahAgan: “Tadi peuting mah asateu ngeunah ku operatortelepisi.”Agun: “Ku naon kitu?”Agan: “Keur raraména lalajomaénbal, ari reup téh pareumlistrik.”Agun: “Naha pareum listrikmaké jeung ngarasa teu ngeu-nah ku operator telepisisagala?”Agan: “Heueuh pan meureun

ari di tempat operator telepisinamah listrik téh teu pareum?”Agun: “Anu teu ngeunah mahdéwék ngadéngé omongansilaing.”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

Panto"Panto naon nu teu bisadisurung keun, sok sanajan ku10 urang oge?""Panto beton?""Salah!""Panto hate?""Salah.""Taluk?""Taluk lah!""Panto nu aya tulisan, TARIK!"

Rahmia KhoerunnisaSastra Sunda Unpad

Jatinangor - Sumedang

Henteu AdilSarkowi: “Mun bisa, asa em-bung deui kuring mah asup karumah sakit.”Sarbani: “Ari kitu kumaha?”Sarkowi: “Teu adil ah dokter -na.”Sarbani: “Maksudna?”Sarkowi: “Éta mah euy nu bogapanyakit, batuk, salésma, jan-tung, nyeri huntu, pokona mahrupa-rupa panyakit wé meu-nang di jero rohangan ari uingnaha bet kudu di luar teu meu-nang asup?”Sarbani: “Ari kitu ilaing boga

Page 54: Mangle 2455

panyakit naon?”Sarkowi: ‘Ceuk dokter mahcenah panyakit.... dalam!”

Anissa Fitri WulansariGang Kujang - Bandung

CD istimewaDina hiji mangsa Mang Adingjalan-jalan ka pasar. Aya tukangdagang CD jojorowokannawarkeun daganganana. “CDistimewa hargana ngan saratusrebu”. Mang Ading: Naha jangmahal-mahal teuing? TukangDagang: CD istimewa, lamundipake ku jalma nu hitutnabau,moal kaangseu bau,tah kituistimewana. Mang Ading :Ooooh!!

Mamat KandawibawaPabuaran 63 Sukabumi

BlekberiAbah : Jang, cing abahjeung ema pangmeulikeunblekberiUjang : Kanggo naon abahsareng ema hoyong kagunganblekberi?Abah : Pami abah jeungema parasea teu kudu awong-awongan nyarita nepikeunkadenge ku tatangga, tapicukup bebeeman we makeblekberiUjang : Abah-abah, aya-ayawae kahoyong teh

Mamat KandawibawaPabuaran 63 Sukabumi

Tugas CarponUjang: Man, kunaon manehteu ngumpulkeun tugas car-pon?Iman: Ah daripada di kaguru keun mah, meningan di kaManglekeun. Lamun rejekimah meureun engke bakalmeu nang honor. Daripada kaguru, meunang peunteunhungkul.

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

Melayu VS SundaOrang melayu nanya ka urangsunda anu keur rariweuh.Melayu: Bang, nak kemaneu?

Sunda: Bade ka dieu.Melayu: Mau makan dulu tak?Sunda: Naon siah botak-botak.Wani ka uing?Melayu: ???

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

DietUdin : "Cih, Diet geura! Ngarahteu gembrot teuing."Icih : "Kumaha carana kang?"Udin : "Mun peuting cukup ngi -num sagelas cai herang."Icih : "Saatos, atanapi sateuacantuang, nginumna kang?"

Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88

Mana?Ojo : mang ongkoh buburayam, tapi ari hayamna mana? Tk bubur : Jambu monyet ge,euweuh monyetan dina jambu -na jang!

Agus Hiftah F - Jl. Cibiru 88

NgoloDi Warung KopiAa : ari Eneng teh leres bogohka Aa.Rina : Leres atuh.Aa : Aah teu percaya Aa mah. Rina : kedah kumaha atuhsangkan Aa percaya?Aa : Cing buktikeun, mun enengbogoh ka Aa, tah pang mayar -keun bala-bala jeung kopi.Rina : Nyarios we, hayangdijaja nan kitu!!!

Annisa MulandariJl. Cimanuk 234 Bandung

LebelIbro : Lamun geus ditikah kuabdi, Neng Rina teh jadi halalnya? W.haji : Nya enya atuh!Ibro : Berarti lamun kitu mah,Neng rina teh meunang Label tiMUI nya? W.haji : Naon siah! Rekdisarua keun jeung kadaharan!

Annisa MulandariJl. Cimanuk 234 Bandung

MalaweungGuru: “Susi!”

Susi: “Aya naon Pa Guru?”Guru: “Cing kana méja Bapa -keun PR nu kamari téh!”Susi: “Aduh teu gaduh Pa, PRnu kamari mah. Upami Manglémah seueur. “Énjing gé tiasadibantun upami Bapa peryogimah.”Guru: “Sibeungeut kadituh!”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

Supaya CageurKabayan: “Teung manéh tehngalindur nya?”Iteung: “Ku naon kitu?”Kabayan: “Éta geuning bethéhéotan tengah peuting?”Iteung: “Sidik ieu téh supayacageur.”Kabayan: “Ari kitu ku naon?”Iteung: “Pan kami téh asupangin. Jadi ieu teh keurdikaluar keun anginna.”

Linda, Palasari - Bandung

Bisi MatakSalaki: “Ibuna, peupeujeuh sa -bulan ka hareup mah ulahmasak deui jantung cau nya?”Jikan: “Naha kunaon kituBapa na?’salaki: “Teu ari nanaon mah.Ngan bosen wé ari unggal poéteuing mah.”Jikan: “Boro geus reuwas. Arisugan teh bisi matak...”Salaki: “Puguh enya Ibuna, bisimatak... bosen!”

Anissa Fitri WulansariGang Kujang - Bandung

NeanganBapa : Mun aya nu neang bapa,bejakeun kieu, ka dieu merebeja "weswes..." (ngaharewos)Ujang : Oke pa.Teu lila jol jelema jangkungbadag bari ti popolotot, "Jang,mana bapa maneh? Janjinaayeuna rek mayar hutang teh?".Ujang : Si bapana nuju di sepi-tan heula, mang.

Sundara - Jl. Ujung Berung 23

MiskinUti : kang, mun ngomong ti ba-heula atuh! Yen akang teh teuboga nanaon, alias miskinpisan!

Odon : Har, apan ti baheula gegeus ngomong, “Ngan Nyai weteu ngadangukeun, jeung teungarti. Uti : Na nyarios kumaha kitu? Odon : Kieu yeuh "Ayang, nganUti wungkul nu ku akang di -piboga di alam dunya ieu teh."Ning harita kalah ngawalernateh, "Soo, suiiiiitt " cenah.

AryantiJl. Sutisna Sunjaya 155

Tasikmalaya

Panto MobilUcup : Ari maneh ku naonmama wa panto mobil.Udin : Ngahaja, lamun uranghareudang tinggal buka wekaca na.

Sundara - Jl. Ujung Berung 23

LamunAa : Lamun Aa jadi bangbung,Nyai jadi naonna?Nyai : Jadi kembangna atuh.Aa : Lamun Aa jadi cucunguk,Nyai jadi naonna?Nyai : Jadi kapur bagus weh...Aa : Atuh uing maot!!! Nyai : Keun bae ah...

Maman SuwitaJl. Terusan Pasirkoja No. 89

MasalahBu guru: Ojo, ku naon manehteh, ulangan matematikangadadak butut, da minggu ka-mari mah alus,keur aya masalah nya, soknyarios ka ibu!Nunu : Muhun bu, nuju ayamasalah ieu teh.Bu guru : Masalah naon?Nunu : Kalkulatorna ical!Bu Guru : Ka hareup siah!

Maman SuwitaJl. Terusan Pasirkoja No. 89

SinyalOman : Keur naon euy?Ucil : Keur pesbukan!Oman : Naha pesbukan tehhapena dioyag-oyag, diketruk-ketrukkeun kitu ning?Ucil : Hararese, euweuh sinyal!Pan diketrukkeun mah suganwe sinyalna muruluk!

AryantiJl. Sutisna Sunjaya 155

Manglé 2455 53

Page 55: Mangle 2455

54 Manglé 2455

Dipatalikeun jeung dugaankasus suap di MK, Guper-nur Banten Hj.Ratu Atut

Chosiyah, ayeuna jadi kacapanganbalarea. Keun eta mah urangdagoan heula kumaha ketak KPKsatuluyna. Nu leuwih matakpanasaran mah, eta pangwangu-nan Banten nu kateler-teler. Pada-hal, maksudna Banten jadipropinsi sorangan, henteu mang -rupa bagian ti Propinsi Jawa Baratteh, tangtu miang tina harepan su-paya Banten leuwih maju tur ra-harja. Tapi, mana hasilna?Geu ning, kamari ieu, Metro TVmidang keun tayangan nu matakprihatin. Barudak siswa SD diPandeg lang nu rek sakola, ampir-ampiran tikerelep kulantaran kudumeuntas walungan. Cik atuh, ku-naon henteu geuwat diwangunjambatan?

Tah, nu matak helok, kunaonpamarentah pusat ngantep wae?Cilakana, sok aya pajabat pa-marentah pusat nu kekepehan,pajar keun hal kitu teh balukar sis-tem pamarentahan otonomidaerah. Jadi cenah, ayeu na mahpresiden teu bisa negur polah ka-pala daerah nu teu eucreug. Tapi,pan kanyataanana mah henteukitu. Bupati Garut Aceng Fikri, nungalakukeun nikah siri, geuningdijewer ku Presiden jeung Men -dagri. Mun kitu, atuh ulah semetdinya, saban kapala daerah nu hen-teu nembong keun prestasi ogesakuduna ditegur ku pamarentahpusat,hususna ku para menteri.Nya, lebah dieu kahengkerananateh. Pajabat pamarentah pusat ku-rang pisan nalingakeun daerah.Padahal, sakuduna, juragan paja-bat pamarentah pusat tehngalanglang daerah atuh, ti mimiti

Sabang nepi ka Merauke.Samemeh ngalanglang mancana-gara, nya heulakeun sidak(inspeksi mendadak) ka sabandaerah.

Wakil Rayat

Jelas, nu matak Banten kituteh, lian ti eksekutipna hengker,nya tangtu na oge legislatipna ku-rang gadag. Pan sakuduna ti saprakgupernur ngajabat, wakil rayatkudu nalinga keun kumaha ketak -na. Ngan nyaeta atuh, ieu teh raketoge patalina jeung partey pulitik dinagara urang nu hengker kabina-bina. Kader ti saban partey pulitik,umumna mah miskin gagasanjeung lemah deuih kamampuhnaenggoning ngaheuyeuk dayeuhngolah nagara. Coba geura, WagubBanten ayeuna, Rano Karno pankader PDIP. Kunaon atuh henteuusik? Kunaon henteu nga geuingRatu Atut supaya ulah salahlengkah? Polah ngantep kitu bakalnimbulkeun dugaan, bisa jadi etateh itung-itungan pulitis. MunRatu Atut nu asalna ti Golkar ti-soledat, pan Rano Karno ti PDIPbakal ngajabat gupernur ! Tah, ieugorengna mun pasangan gupernurjeung wakilna datang ti parteypulitik nu beda teh. Nu matakengke mah, wakil gupernur men -ding ditangtukeun ku gupernurwae atuh. Mun datang ti parteypulitik, nya mending ti partey puli-tik nu sarua.

Henteu jelas, kumaha ketakwakil rayat di DPRD Banten, kitudeui di DPR, enggoning nalinga -keun pamaren tah Propinsi Ban-ten. Padahal, tangtuna oge wakilrayat geus apal kumaha ketakguper nur jeung wakilna. Kadong-

dora ieu mah, ribut soteh ayeunasabada Ratu Atut pulang- antingka KPK. Kunaon henteu telik di-talingakeun ti saprak ngajabat jadikapala daerah?

Pers

Sajeroning kaom pulitisi dilegis latip sakitu hengkerna, sana-jan geus digajih sakitu gedena, nyaurang miharep ka lembaga pers,minangka “anjing pelacak”, supayanalingakeun pamarentahan.Onjoy na tibatan kaom pulitisi,kaom jurnalis mah indepen den.Henteu kudu ngajuragan ka parteypulitik, kulantaran estuning jur-nalis nu eucreug mah ngannyoarakeun kapentingan publik.

Nya, lebah dieu pentingnangawangun infrastruktur lembagapers nu sehat, nu mampuhngajalan keun pancenna minangkalembaga kaopat sabada eksekutip,legislatip jeung yudikatip.

Sinergi

Tangtu wae, paguron luhur ogeboga pancen ngamajukeun daerah.Cik kumaha ketak paguron luhurdi Propinsi Banten? Kunaon atuhpamaren tahan Banten teukatalinga keun?

Jigana geus rea hasil panalung -ti kan paelmuan ngeunaanpamaren tahan Banten, kaasuptangtuna oge cacad-cacadpamarentahan ana. Ngan nyaeta,panalungtikan paelmuan moalngarobah kaayaan mun teu dibawaka ranah aksi. Ana kitu, perlu ayasinergi antara kaom akademisi,kaom pulitisi jeung kaom jur-nalis.***

Karno Kartadibrata.

Teu Ditalingakeun ti Awalna

Page 56: Mangle 2455

Manglé 2455 55

KA GIGIR:1. Perlu4. Alat musik tradisional7. Ibarat8. Pekan Olahraga Nasional9. Mimiti10. Waktu solat12. Sarébu kilogram13. Anjing leuweung15. Anu dipuhit18. Walungan di Kalimantan21. Pangabeukina kana lauk23. Nyingraykeun Lalangsé Ahéng24. Anjing (Jawa)26. Antara dua buku28. Beureum (Inggris)29. Bagéan tina buku/soal30. Kacapi31. Utusan

KA HANDAP:1. Êmpang2. Lauk laleutik3. Gabug, euweuh eusian4. Harkat jelema pertengahan5. Pelajaran di sakola6. Buleud haté9. Kuring (Arab)11. Sanggeus SMP14. Korsi empuk16. Paranti ngaitna ranté

17. Samak19. Angkatan Muda Siliwangi20. Podieum21. Cadangan22. Ukuran beurat24. Antel25. Obat27. Aksara Arab

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1421. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosnamedal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1419:

1.Bilqis RubinaGang Mekar No. 77Bandung

2. Tia TaryanaJl. Desa Cipadung RT 04/04 17BBandung

3. Tatang KusnariMargaluyu Km 13Ciamis

1421K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mangle 2455

“Innalillahi wa inalillahi Rojiun.”“Saha nu maot, Mang?”“Lain perkara aya nu maot, ieu mah

minangka tanda béla sungkawa ka kor-ban targédi Karéta Api di Bintaro, Lo.”

“Oh.”“Nilik tina éta kajadian, éstu kudu

leuwih ditandeskeun deui, Lo.”“Leuwih ditandeskeun pentingna

disiplin, Mang?”“Bener, Lo. Kapan cenah kacilakaan

karéta api di Bintaro téh alatan supirténgki anu teu disiplin, norobos palangrél karéta anu geus nutup.”

“Beu.”“Hirup teu disiplin, ngarempak atu -

ran, saliwatan mah bangun mataksenang lantaran bébas milampah naonbaé tapi kadituna matak susah. Teudisiplin di jalan raya, lian ti matakcilaka téh ogé sarua jeung nandonkeunnyawa.”

“Tuda di urng mah bangun nu geusbiasa hirup disiplin téh, Mang. Ayalampu beureum di setopan kalahngabiur. Aya palang karéta api,kalah di-teunggar.”

“Senang nyah, bisa laluasa nyingka-

han hahalang.”“Enya saliwatan mah senang, tapi

akibatna patal. Kapan lain sakali duakali kajadian kandaraan anu katabrakkaréta api alatan norobos palang haha-lang rél karéta. Atuh kajadiankacilakaan patalimarga alatan kan-daraan norobos lampu beureum ogéjumlah téh teu kaitung, Lo.”

“Ambuing.”“Jadi hirup teu disiplin téh bisa

disebutkeun nikmat membawa seng -sara.”

“Bet kawas judul sinétron jaman ba-heula, Mang.”

“Héhéhé.”“Ari nikmatna, Mang?”“Bisa hirup sangeunah ingsun.

Bébas téa ceuk barudak ayeuna mah.”“Ari sangsarana?”“Hih, kapan tadi gé geus disebut -

keun, bisa ngabalukarkeun musibah,kacilakaan di antarana.”

“Bisa leuwih mérélé?”“Teu disiplin maké kandaraan, bisa

ngabalukarkeun kacilakaan patali-marga.”

“Emh.”

“Teu disiplin miceun runtah bisangadatangkeun bibit kasakit. Bisa nga-datangkeun musibah.”

“Ngadatangkeun musibah kumaha,Mang?”

“Hih bet pohoan ari Alo, kapanréréana kajadian caah di urang téh ala-tan walungan jeung saluran cai mendetku runtah.”

“Aéh enya nya.”“Teu disiplin gawé tangtu bakal di-

carékan ku dunungan, lantaran hasilpagawéanana ogé henteu bener.”

“Heuheuy.”“Tétéla pasualan anu tumiba ka

urang téh réréana mah alatan hiji hal,Lo.”

“Alatan teu disiplin nyah, Mang?”“Enya.”“Da kitu pisan di urang mah,

Mang.”“Kitu kumaha, Lo?”“Ari geus kacilakaan, datang musi-

bah alam, jeung sajabana tuluynyalahkeun batur, nyalahkeun pa-maréntah.”

“Bener, Lo. Padahal akar masalahnamah aya di diri sorangan.”

“Alatan teu disiplin nya, Mang.”“Yaktos.”“Lamun kitu mah urang mimiti

nganawaétuan.”“Nganawaétuan naon, Lo?”“Mimiti diajar displin, Mang.”“Satuju. Da ari geus sadar mah

disip lin téh teu kudu aya baé polisiatawa patugas.”

“Leres.”“Atuh ku disiplin mah mugia jum-

lah kacilakaan bisa diteken. Musibahalam ogé bis disingkahan.”

“Amin.”***

Perkara Disiplin

56 Manglé 2455