Mitra Sunda - Mangle 2432

58

description

Mitra Sunda - Mangle 2432

Transcript of Mitra Sunda - Mangle 2432

Page 1: Mitra Sunda - Mangle 2432
Page 2: Mitra Sunda - Mangle 2432

Kiwari kawilang renung panyajak Sunda mutahir.Ngaran kayaning Ari Ardiansah, Arif Abdilah,Deri Hudaya, Prayoga Adiwisastra kaasup kana

panyajak Sunda mutahir nu bisa dikahareupkeun.Nyarajakna tapis, sajak-sajakna nyarengcelak. Lanceuk-lanceukna kayaning Toni Lesmana, Dea Lugina, Sarabu-nis Mubarok, tumerus deui ka Nunu Nazarudin Azhar,Deden Abdul Azis, Darpan Ariawinangun, bras we kaHadi AKS, nu puguh geus tarabah deui kana kumahangotretkeun sajak nu nya endah jeung ni’mat, bari jeungkantenan meuhpeuy pulunganeunana; kantetan basanaorisinil jeung imaji katut potret hasil sawangananamatak parangling. Eta hal nembrak kacida utamanadina rereana sajak nu ditulis ku Nazarudin, Toni, jeungAri.

Utamana Nunu jeung Toni, dina cara nyajak teh ba -

ngun nu geus meunang kagenahan deui; spontan, tapikantetan basana orsinil tur eusina karasa nenggel. BohNunu boh Toni duanana tarapis pisan nulis sajak dinadua basa, Sunda jeung Indonesia. Padika jeung gayanamibanda arsiran anu matak pikameumeuteun; imajina‘nalaktak’. Ngan bae dina edisi Kandaga Sajak ieu mahToni ngasongkeun sajak anu ‘lindeuk’.

Urusan panyajak wanoja, bet gorehel aya ngaranOnnok. Pada terang, samemehna kapan wawuh kaOnnok teh minangka pangarang prosasis. Beda jeungRisnawati atawa Rin Candraresmi anu samemehna me-mang nulis dina prosa jeung puisi. Tapi da sidik sajakOnnok karasa nenggang, ngemu harepan.

Dina ieu edisi Kandaga Sajak, dipidangkeun sawatarapanyajak katut karyana, malah mandar aya gambaranjengglengan sajak Sunda kakiwarian. Nyanggakeun.***

Kandaga Sajak

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di-

brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mitra Sunda - Mangle 2432

KANDAGA SAJAK

Hal. 14 - 43

Urang & Urang

Dede Syafrudin .............................. 14

Di Balé Kambang

Dea Lugina .................................... 15

Di Lampu Mérah

Éris Risnandar ................................ 16

Sajak Qona’ah

Onnok Rahmawati .......................... 17

Kasarung

Toni lesmana ................................... 18

Behind Blue

Yosef M Ibrahim ............................. 20

Sindanglaya 1

Ibnu Hijar Apandi ........................... 24

Jagat Urang

Nazarudin Azhar .............................. 26

Baluas

Soni Farid Maulana ......................... 30

CARITA PONDOK

Halteu Kadungora

Usép Romli HM ................................ 10

Mangsa Panonpoé Haneut Moyan

Yuli Sukmara ...................................... 44

Layung Langit

Tety S Nataprawira ............................. 50

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Gedong Sate ...................................... 28

Nyusur Galur .................................... 42

Ha... Ha... Ha .................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Gogoda Ka Nu Ngarora (2)

M.A. Salmun............................................................. 8

Carita Sarebu Samalem (164)

............................................................. 46

­Sekar­Manglé

Desi Destiani Guntari

5TAMU

Melati Dari Jayagiri

Iwan Abdulrachman

Po

tre

t : R

eis

ya

n

AYA samingguna motor bodong inpen-taris gawé kuring, ngabagug. Kakara

ayeuna rék dipaké deui. Ku hésé hirupmotor téh. Mun téa mah aya nu pirajeu-nan mangitungkeun, teu kurang ti limabelas kali nyelah, kakara siga rék nga -

durudud...

44

Mangsa PanonpoéHaneut Moyan

Jl.Pamekar Timur XV no.15

Panata Rias & Raksukan: ARGAPUSPA Jl. Melong Kaler I No. 2Bandung Telp. 022 – 91600157

HP. 087821252077

Page 4: Mitra Sunda - Mangle 2432

Balsem

Duka awahing ku geus lieurmeureun, milih ngaranna ogénepi ka asa teu puguh kitu.

Bantuan langsung sementaramasyarakat, cenah. DisarebutnaBLSM. Tapi tuluy disina babarinyebutkeun ana, jadi wéh Balsem.

Ti dituna mah, dina réngkolnadina APBN, gedé nu ngaranna Balsemtéh. Tapi lantaran dikéténgkeun, nukatarima ku jinisna mah ngan Rp 150rébu séwang. Ari kituna mah atudadijejewét ku puluhan juta jalma. Kudungantay ka kantor pos nyokotna gé.Salila opat bulan kituna téh. Nahangan Rp 150 rébu séwang? Naha nganopat bulaneun séwang?

Mahi kana naon? Meureun kituahir-ahirna mah. Mémang moal bisalaluasa. Pangaji sakitu dina jaman ki-wari. Lamun kamari harega jéngkolwaé geus nitih Rp 50 rébu sakilo, bisakasawang bakal susah ngajejewétna.Ngaranna baé matak geunjleung,padahal moal jadi dangdanan. Pastimatak riweuh deuih. Matak meujeuh -na lamun aya kapala désa anu nolaknarima Balsem. Alesanana sieunmatak ribut baé, da geus kacipta pi-héséeunana milihan saha-sahana anupantes narimana.

Naha kituna téh lantaran numariskinna loba teuing? Ongkoh deuiapan di Jakarta pisan aya anu narimaBalsem tapi geulangna bae sagedé in-dung leungeun. Geus kitu biasana. Diurang mah lamun aya bantuan tipamarén tah téh sok tuluy sumpang-simpang. Umumna mah nyimpangnatéh ka kulawadet pamong désana

sora ngan.

Ayeuna gé tangtu moal jauh tikitu. Saha anu bakal negorna? Cenahpara mentri ngahajakeun nyaksiandikieuna. Tapi nu dianjanganana géulukutek di Jakarta kénéh. Euweuhanu usrak-asruk ka kampung-kam-pung.

Barina gé ulah dibiasakeun kitupeta téh. Utak-eutik turun ke lapa -ngan, utak eutik melakukan peninjau -an. Ukur sakali-kalina téh bari jeungdiabring-abring ku juruwarta dahayang diberitakeun.

Ti baheula ngan kitu jeung kitubaé. Nu matak meujeuhna lamuneuweuh hasilna ogé. Ayeuna gé,sanajan mani siga anu enya dipiki-ran mulan-malén, dina geletukbatuna mah angger wé kitu deui kitudeui. Padahal kuduna, sajeroningmikir téh heug dikeureuyeuh. Cingyeuh nu ngalanggur téh disinabaroga gawé. Cing yeuh nu sokngaramén di parapatan téh diampi-han sina ngaménna di kafé. Komonu baramaén mah tong diarantep.

Ayeuna Kota Bandung bakalboga wali kota anyar. Tinggal nung-guan ditéken hasilna ku KPU. Ka-hayang téh cing dimimitian tinangurus nu laleutik heula. Nu disebutlaleutik téh lain hartina teu penting,malah penting kacida. Ngan entongloba teuing pupulitikan. Langsungwé prak. Jalan oméan, solokan di-jeroan. Nu baramaén tong diantepabring-abringan di unggal parapa -tan.

Umumna pamingpin di urang sokngaheulakeun loba ngomong. Ulahkitu ayeuna mah nawaétuna.Ngomong mah saperluna baé. Nukudu digawé enyaan ayeuna mahkudu ti handap heula. Biasana urangsok nungguan dicontoan ku anu diluhur. Moal bisa ayeuna mah. Kudusabalikna. Nu nyontoan gawé benertéh nu di harandap. Babakuna walikota jeung bupati anu bisa langsungmindeng tepung jeung rayat. Malahsakuduna ulah loba teuing rapat bohjeung gubernur boh jeung mentri.Komo jeung presidén mah. Cingcobaan, sina presidén jeung paramentri anu diajar ka para wali kotajeung bupati.

Kahayang téh Wali Kota Bandungnu anyar bakal bisa kitu. Kota Ban-dung téh urus sing bener. Ulah di-antep sina sakama-kama. Apankacontoan ku anu enggeus-enggeus,anu milu ngalalakon téh kalah anulain-lain. Antukna kapentingan rayatloba anu dimomorékeun. Ayeunageus kabuktian cara-cara kitu téh teumatak salamet. Jajauheun kanamatak maslahat. Malah kalah matakcilaka.

Cing niatan ti ayeuna, hirup diKota Bandung mah matak genah.Warga kotana hirupna senang. Dijalan teu macét. Euweuh kebul, eu-weuh logak. Mun hujan tara banjir.Runtah tara diantep sina bau kamana-mendi. Piraku teu matakreueus ka wali kotana lamun kalawantandes disebutkeun yén warga KotaBandung mah taya saurang gé anupantes narima Balsem. AM

Manglé 2432 3

Page 5: Mitra Sunda - Mangle 2432

4 Manglé 2432

Perhatian Guper-nur Jabar ka GKRumen tang Siang

Diantos harepan paramitra kanggo pancen H.Ahmad Heryawan sarengDedi Mizwar dinananjeur keun pangwangu-nan tatar Sunda JawaBarat, hususna dina nga-mumule basa Sunda. Dihandap ieu, kapidan-gkeun deui terasan edisikamari ngeunaan komen-tar ti para mitra FacebookMajalah Sunda Mangle,kalawan dimuat saujrat -na.

1. Saurken k pa ahmadcing pangbebenahkenternak sapi na pks didaerah cibodas,limbah na ngotoran caiwalungan ayena jdbau. (Dans Bejad)

2. Dedi mizwar na ogeteu tiasaeun basasunda, kumaha baden g a m u m u l e n a .(Daishz Cecep)

3. Punten ,,,,badé tuma -ros sun,naha leres basasunda dihapus tinakurikulum sakola?maklum wé simkuringmah bodo,,, (MigoRaspati)

4. Upami hoyong ngamu-mule bahasasunda,kedahna tokoh -na ti tatar sundakang,bade ngamumulekmh,bahasa sunda geteu uningaeun. (AlAvalon's)

5. Emang dedi bisaeunbasa sunda? Asamoal... (BagjaMulyana)

6. Urang Jakarta anu asaljawa sareng Batawingahaja ngobrol kuBasa Sunda ka sim -kuring. Saurna teh

resep cenah diajarbasa sunda anu ti Ban-dung, panginten basaSunda simkuringsapertos Basa Sundawarga Bandung anuwaktos harita mungaya dina acara tipisareng radio wungkulditambih di padesaansareng pasantren.(Agung NugrahaSaha yana)

7. Kanggo akang mah ayapamundut teh nyaetasupados jalan2 anusalami ieu rareksak,sing enggal didangdo -san, komo pami anukalebet jalan provinsimah, pan asa kacidaawon katinggalna,contona jalan saatosjalan bypass ci-calengka, meni kacidareksakna teh, seueurliang di tengah jalananu matak nyilaka -keun anu nga -langkung. (JajaWijanarko)

8. 5 taun kpengker, paAher teh tos naonhungkul dina nga -mumule budaya urangteh? GK rumentangsing ge estu teu katoel-toel acan? (GontomKifli)

BBM jeung Pama-jikan

Sampurasun! Dara-mang Ais PangampihMangle? Nuhun atuhpami daramang mah.Wilujeng nya ka NyiMang le nu terasngabuktos keun ngamu-mulena kana Basa Sunda.Simkuring mah reueus kaMangle teh.

Kamari-kamari ieugeunj leung ku urusanBBM (Bahan Bakar

Minyak). Aya nu demosanajan ahirna mah teuwalakaya, aya oge nuhayang untung sorangan,saperti nimbun premiumjeung sabangsana. TahNyi Mangle, harita mahku simkuring dihaminan,meureun geus pantes geuskuduna BBM teh naek. Ahpasrah we.

Naha ari balik ka imah,pamajikan ngadatnakabina-bina, pedah dibereduit keur dapur ukur 30rebu. Basana, ti poe isukulah hayang dahar duakali, wayahna kudu sakali.Jajan budak oge kudupangnyaramkeun, polesbeungeut saperti seuseu -ngit jeung pakean keurlebaran boa-boa moalkabeuli... jeung sabangsa -na.

Pamajikan ngobrolsemu ngarahuh, sim -kuring ngahuleng jentul.Singhoreng naekna BBMkarasa pisan harita mah.Nepi ka rek masak emih

wae, harita mah euweuhcengek-cengek acan.Basana ayeuna mah teukabeuli. Beu! Simkuringolohok bari indit, susuga -nan aya pirejekieun deui.Wayahna kudu neangansampingan keur bekelbarudak jajan, keur meulicengek, bawang. Keur baeari urusan deungeunna nualus kawas daging hayam,sapi mah. Eta mah urangdagoan wae lamun usumkurban. Terus terangsimkuring harita mahnalangsa kabina-bina.

Nyi Mangle, hampuranya, nulis nu kararieu. Ieumah estuning pangala-man nu haneut keneh,basa kakara saumur hirupindungna budak rumahuhdina urusan bekelsapopoe. Hampura nya....mah. Sakitu wae.

Wass.

HendriyanaMajalaya Kabupaten

Bandung

BEWARA

ABOT DIDODORONG ISIN DIPAKSAKEUN

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Mugi sadayana kulawargi Manglé, para pa-maos, para agén, langganan, neda maphumsareng janten uninga, saréhna, ti awit pamedalanManglé no. 2432, 4 Juli 2013, pangaos Mangléundak jadi Rp. 12.500,- (Dua belas rebu lima

ratus rupia).

Neda hapunten sareng mugi teu jadi matakmegatkeun silaturahmi.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Bandung, 13 Juni 2013

Direksi, Drs. H. Oedjang Daradjatoen M.

Page 6: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 5

Page 7: Mitra Sunda - Mangle 2432

6 Manglé 2432

Page 8: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 7

Page 9: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 24328

Ku lantaran UjangKusén boga pikir kitu,ka Nyi Piah ogé jadi

paler; panas-peurih ku AomUsman jadi lémpés kari pas-rah ka Yang Agung, ingetkana omongan kolot: “Wongbecik ketitik, wong ala ke-tara!” ongkoh cék parabujang ga ogé: “Sagala rupaanu tumiba ka urang, éta téhhasil pagawéan urang pri -badi, boh nu karasa, boh nuhenteu.”

Ku lantaran sagala rupadisangga ku pasrah sadrah,ditampanan ku katumarima -an, dideudeul ku sabartawekal, atuh ayana dinaraka-dunya ogé teu matakbejad batin, tetep élingwalag ri baé. Ku kituna mahmanéhna teu kabawakeunkasar tur biadab ku paranté -an anu mémangna bogabakat jahat.

Waktu kajadian ieucarita, Ujang Kusén jejegpisan 18 bulanngajalankeun ana hukumantéh. Ku lantaran bageurjeung pamuluna pikarese -peun teu aya rindat jahat,mandor jeung anu ngajaraga

téh ka éta mah jiga mahaliteuk, da ari nu séjén mahsabulan sakali beunang di-pastikeun “ngasaan” iteukmandor ngajebrod kanatonggong atawa birit; komoéta mah mandor Hatebessy,royal pisan ngabagikeunrangkét téh, sakalieun ayaparantéan nyusut tuluyngéprétkeun késang ogé, weuiteuk hoé sagedé pigeulanganleungeun orok téh gancangpisan ngababukna. Paranté -an anu kagiliran digarawédibawah paréntahHatebessy, mani kawasembé dipaké eupan dinagarogol maung baé, réa nukokoplokan birit téh lainsisiwo. Bareng jeung caraembé sieun ku maung téa,méh kabéh parantéan padangéwa ka manéhna, ijid kugangas-bengisna, komo SiGomar mah, duméhpangseubeuhna ngasaan hoéHatebessy.

Hukuman jaman jajahan,telengesna kejem kaliwatsaking, saleuheung dihukumgantung, maot pada harita,tapi ari hukum ranté mahduh ampun, saimbangna

jeung naraka, siksaan lahirjeung batin.

Ari Si Gomar téhparanté an nu dihukumsaumur hirup, malah munponésna teu dirobah mah,baréto kénéh gé geus di -gantung, duméh dosana po-hara gedéna, ngabongkar,ngarampog jeung ngaleupas-leupaskeun nyawa batur. Étagé, upama nagara dina taun-taun éta keur teu butuh kutanaga kerjapaksa mah, moalboa Si Gomar téh ngagula -wing dina tinggarmanuk.

Parantéan anu dosanacara Si Gomar, dibérépagawéan ana ogé anu pang-beurat-beuratna, sasatnamah dihaja dititah paéh. Anuhampang dosana, hampangdeui hukumanana. Saham-pang-hampangna gawéparantéan dina kerjapaksa.

Harita Si Gomar kagili-ran manggulan beusi, manipépéyékéhan bawaningbeura teun, méh teukabawaeun, mangkaningkudu ngaliwat ka hareupeunHatebessy anu sajagi iteukhoéna. Ari nangtungna man-dor téh kabeneran deukeutUjang Kusén anu pagawéan -ana ngan ukur mantuan nukeur némbok, Ki Arsali,urang Parungkujang nu jadiparantéan lantaran

dipitenah keun ku batursalemburna, magar malingmunding nagara.

Rada anggang tiHatebessy, di tempat radaluhur sarupa gili, aya ser-dadu, sayagi bedilna geusdibayonetan, bedilkabaheula an anu panjangkucubungna téa, dieusiananahiji-hiji, sajedér sakali,pedangna mani ngongkled,tina cangkeng mapay ping-ping, dina sabuk reuteum pa-trom, ari pasemon sasopakbaé jeung Hatebessy, bere -ngos bangun gangas, bengiskuraweud haseum banguncadu seuri. Ari mata, alah-batan heulang hingkik ngin-tip mamangsaan, parantéannu deukeut nu jauh digawé -na sigana téh ku éta mahkadeuleu kabéh.

Si Gomar anupépéyékéhan beurateunmanggul beusi, pohara di-awaskeunana ku mandor,duka kumaha, da antara SiGomar jeung Hatebessy téhkawas enyaan pisan silihpikangéwana. Harita gé,kawasna mandor téh poharateu panujueunana ka nupépéyékéhan téh, saperkarageus ngéwa titadina, kadua -na samarukna ngaheureuy -keun, ngan gantawang baényarékan anu pohara

{ 2 }

Ku M.A. Salmun

Page 10: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 9

nistana. Nu dicarekanngarérét bari mendelik, dangalawan mah teu untupeunmeunang, lain teu wani. Nudidedelekan pudigdigambek, sirinting nyampeur -keun, jebrod hoéna ninggangtonggong bari sungutna nga-hoak. Nu digebug nya beurat,nya kagét, nya nyeri, teu di-haja ngagurubug bari maliknepi ka beusi nu dipanggulnangababuk beungeutHatebessy tuluy kalésotan,gubrag ninggang hulu tuurmandor teu aya dayana. SiGomar nékad, kerewek hoédirebut, jebod dipaké nga -gebug beungeut Hatebessynepi ka remuk cukangirungna, sot hoé ceg kanabeusi bangbaluh ranté,karepna mah sirahHatebessy arék dipékprék,tapi teu kanyahoan deui SiGomar dirontok ku UjangKusén jeung Asrali, dicareke-lan ku duaan. Kituna téh lainnyaah atawa niat mang -meunang keun Hatebessy,tapi kawas tandang sawajar -na baé, cara urang nénjo nutiteuleum sok hayang ngoja -yan atawa nénjo nu ka-paéhan sok hayangngagotong. Geuning upamaurang nénjo nu cilaka atawadiancam bahaya, sok tarainget saha téa bangsa naon,agama naon, tapi nu katénjotéh aya nu cilaka atawa di -ancam bahaya, kudu ditulu -ngan! Ujang Kusén jeungArsali ogé kitu. Jaba ti étageus lumbrah tur ilahar,lamun urang nénjo nu gelutsok hayang nyapih, sanajanurang ka nu gelut téh teuwawuh-wawuh acan.

Si Gomar direjeng kuduaan téh adug-adugan,mangkaning jelema bogakabisa, Ujang Kusén jeungArsali téh “dijeblagkeunmani nangkarak bengkang,sérépét Si Gomar nyabutpedang Hatebessy nu nga-joprak teu éling-éling,hadéna Ujang Kusén rikat,ranté suku Si Gomar ditariknepi ka labuh, pedang lésot;barang rék dirontok, pérahnaditoker ku Arsali, sabot kitudor sora bedil, gero Si Gomar

ngadengek bari nangkeupsirah, bru nyuuh, ngaleupas -keun nyawa, wawales kanadosa, nya harita tumibana,paéh ngagojod henteu lésottina ranté, nambru dinataneuh teu béda ti anjing leu-pas paéh dibedil, bisi nga-galaksak.

Puguh baé harita téhgeun jleung. Parantéan nuséjén tadina arék ngaronomka Hatebessy, karep mulang -keun kanyeri, tapi serdadunu ngabedil Si Gomar tadisadia ngeusian deui bedilna,rék ngabedil nu maju.

Ujang Kusén nangtung,lengeunna pakupis méré isa -rah bari gegeroan: “Mundur!Mundur! Awas bedil! Awasbedil!”

Nu rék ngaronomngarandeg, komo barang tiunggal juru ngadéngé soralocéng mah, dititirkeun kumandor-mandor rombonganlian, tanghara aya nu nga-muk. Mandor-mandor jeungserdadu-serdadu batur nungabedil tadi geus sadia taki-taki bisi parantéan tuluyngambregna. Hadénakawasna kaburu aringet, yénmasih ngaramuk ogé ngan

nambah-nambah bae beurat -na hukuman, jaba jeung teumustahil dibedil cara SiGomar mah. Sanajan barikukulutus, teu weleh nurutkana isarah jeung pang -halang Ujang Kusén,maranéhna mundur, baralikdeui saurut-urutna.

Sabot serdadu-serdadujeung mandor-mandor sa-jaga kénéh pasang-pasangjeung caringcing, burudulserdadu ti tangsi anu rékmantuan, samaktasapakarangna, malah paragegedén ogé daratang, ayanu tumpak kuda, aya nunyorén dang bedil aya numésakan péstol baé.

Sakaut, (mun ayeunamah Komisaris Pulisi) geuscuh-cih maréntah ningkerwewengkon tempat digarawéparantéan, tuluy jeung sipirkatut para gegeden marikamayit Si Gomar jeungngahudangkeun Hatebessyanu humaregung barinyabakan irungna anububuk.

Sanggeus ngayakeunpapariksa an saheulaanansaperluna sarta dicatet kukomisi, pikeun sapoé éta

mah parantéan téh di-garawéna ngan nepi kaharita baé, terus digiringbara lik ka bui dibariskeunopatan-opatan, kénca-katuhu diobéng ku serdadujeung pulisi, nu samagrengpakarangna. Cenah ngajagakaamanan.

Ari sipir, enya jelemanamah keras, pageuh nyekelatu ran bui, tapi bakatna adil,keras sotéh ngan bawaningku gugon kana aturan baé,da rasa kaadilanana mahpantes dipuji.

Ti barang nyahoeun tiserdadu jeung ti mandor-mandor, yén Ujang Kusénjeung Arsali, tandang nyegahngamukna Si Gomar jeungngahalangan ngambregna nulian, budi jeung polahna kaéta dua parantéan ogé ayamatak ngeunahna. Nu duaantéh ku sipir sadatang-datangti palabuhan, dipisahkeun tiparantéan nu lian. Saperkaraminangka ngaganjar kajalma boga jasa, ka duanangajaga bisi parantéan nulian aya nu ngunek-ngunektuluy ngarah, duméh asa di-halang-halang pamulangkanyeri. (hanca)

Page 11: Mitra Sunda - Mangle 2432

10 Manglé 2432

Aweuhan degungngungkung. Mirig lagu“Salam Tepang”.

Ngabagéakeun para wisu-dawan wisudawati katut paratamu, nu nungtutan daratangka aula Sabuga.

Jajap anak asuh tiluan,nu poé éta rék diistrenan jadisarjana. Nu saurang adminis-trasi niaga. Saurang deui ték -nologi komputér. Saurangdeui manajemén. Diutang-itung, nu tiluan ieu téh, nukadua puluh genep ti mimitingurus jeung nyakolakeunbarudak pahatu lalis, taun1994. Nu pangheulana, masihkapiadi, keur kelas dua SMP,ditinggal maot ku bapana.Disambat nepi ka tamatSMA. Ari pék meunang pang-gilan ti IPB, jalur PMDK.Budak na sumangethayangeun neruskeun. Lebar.Teu kudu milu tésting anuloba itu-ieu tur can puguhlulus.

“Asal daék saayana. Asaljucung. Ulah pegat disatenga hing jalan,“ budak di-wawadian. Unggeuk. Ongkohtuman hirup prihatin. Opattaun kuliah, bisa bérés. Geusdiistrénan jadi sarjanakahutanan, biur ka Kaliman-tan. Digawé di hiji pausahaanHak Pengelolaan Hutan, nugeus nyangcang ku béasiswati keur seméster genep kénéh.

Taun hareupna, ditutur -keun ku “adina”. Anak asuhnu sarua di IPB. Ngan bédajurusan . Ti pertanian ieumah. Sarua deuih langsungdigawé. Di Riau, di pausaha -an multinasional, nu geusnyangcang ku béasiswa ti béhditu kénéh.

Geus aya anak asuhmandiri, tur boga pangasilanrada mucekil, gedé haté

nyakola nyakolakeun baru-dak du’afa nu daratang méntadiurus. Saeutikna, siap modalkeur asup. Ka dituna mah,bekel saaya-aya rejeki baru-dak ngaliwatan sodaqohinfaq ti para dermawan.

Ayeuna tiluan, nu kaduapuluh genep, lulus paguronluhur. Insya Alloh, bakal gan-cang mareunang gawé dawidang kasarjanaanana ka -asup nu réa diperlukeun.Insya Alloh, bakal bisa nagro-jong “adi-adina” nu séjén,sakumaha maranéhna di -rojong ku “lanceuk-lanceukna” papada anak asuhnu ngalaman nyeri-peurihhirup pahatu lalis, lieuk eu-weuh ragap taya, iwal tikanyaah jalma nu haat ngu-rus jeung ngajeujeuhkeunsapopoé pikeun nyorangharepan pikahareupeun.

Antayan di tempatnarima tamu, lumayan pan-jang. Malah pagegelek. Baru-dak nu rék diwisuda mahgeus arindit kana barisananamasing-masing.

Saléngkah-saléngkah, an-tayan maju. Kahalangan kusaurang, di hareupeun ayaawéwé umur 60-an.

Gemeyek. Sabot ngalieuk katukang, karérét beungeutna.Najan geus rada karijut, asateu kapalingan. Kacamata nudipakéna, ujug-ujugngoléabkeun ingetan kamangsa opat puluh taun katukang. Ka Daniati. Kacamatanu ngabogaan daya tarikhusus pikeun lalaki nupatepung teuteup jeungmanéhna.

Pangangguran nyebutngaranna lalaunan sabotmanéhna tungkul ngeusiandaptar hadir. Gancangngalieuk. Nelek-nelek.

“Iyus nya?” manéhnarumegog nanya.

“Muhun. Émut kénéhgeu ning?” ngajawab dibarungnyéréngéh.

“Piraku poho….”manéhna nyikikik laun. Megkana angen ngadéngé etakalimah. Kawilang mindengdiucapkeun ku manéhnabaréto. Cutatan tina sajak“Setatsion Kadungora, bulanMéi”.

Ngan baréto mah barinyegruk. Bari paheneng-heneng. Bari sasalamanpinuh geter perasaan. Teruspisah lalaunan.

Sababaraha kali dinasurat, kalimah “piraku poho”sok jadi bungbu catur ti ka-jauhan. Matak nambahannineung jeung nalangsa.Wawuh ukur opat bulan. Betkudu pegat sapisan.

Geus bérés nanda daptarhadir, teu gancang asup.Néangan pangdiukan diémpér aula. Sili tanyakaayaan.

“Jajap Si Bungsu wisuda.Panungtungan manawi.Lanceuk-lanceukna nu tilu,tos bérés sababaraha taunkapengker. Iyus jajap wisudadeuih?” manéhna gorocok.Kawas baréto.

“Muhun. Tiluan. Nukadua puluh opat, kadua -puluhlima sareng kaduapu-luh genep.”

“Ah, piraku?” manéhnangaranjug, “Putra pituin?”

“Barudak asuh. Pun anakpituin mah, panungtungandiwisuda taun 2006. Tosmasihan incu tilu.”

Uplek ngawangkong kaditu-ka dieu. Persis opatpuluh taun ka tukang. Tarangaleunjeur. Naon baé nuinget, dicaritakeun. Kaayaanpribadina gé ukur saliwat wé.

CarponUsép Romli HM

Page 12: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 11

Cenah, salakina maot geneptaun ka tukang. Cenah,manéhna karék pangsiun sa-taun ka tukang.

“Iyus mah da teu terasjadi guru, nya? Kaluar ti PNSogé nya?” manéhna neuteupseukeut. Persis opat puluhtaun ka tukang. Kaciri ayeunamah, kacamatana minus.Rada kandel. Teu cara baréto,kacamata fantasi nu namba-han sari.

“Pan saprak dikantun kuNia, teras ngacapruk….Culbaé jadi guru, jadi PNS mah,”némbalan ku sora peura.Rada kaselek ku panineu -ngan lawas.

“Kawas heulang kapakan,nu kadungsang-dungsang….”deui-deui manéhna nyutatkalimah tina salah sahiji sajaknu kungsi ditulis basa nyang-hareupan poé-poé panung-tungan rék mungkas lalakon.

Diteuteup. Manéhnamalik neuteup. Tapi gancangnyalénggorkeun ku per-tanyaan, “Maé gé lapur nya?”

“Lapur….” sora ngeleper,“Kawas Nia wé, lapur!”

Ngong pengumuman tipanitia. Nitah para tamuonda ngan asup ka rohangantempat wisuda. Acara rékdimimitian, jeung panto arékditutup.

“Mangga tuh, Yus…”manéhna cengkat, “Korsinomer sabaraha?”

Kartu ondangan diilikan.“K-36. Nia?”“H-40. Yu atuh, keun

sugan aya nu kersaeun tukeurtempat. Ambéh urangngaréndéng..” manéhnamiheula an ngaléngkah. Per-sis opat puluh taun katukang. Ngan pédah bédagégag. Ayeuna mah radakendor. Bubuhan ngalintu -han jeung ngolotan. Teulincah cara keur umur duapuluhan.

Laksana bisa diukngaréndéng. Aya nu daékeunpindah tilu jajar ka hareupjeung ka nu daékeun ngisedka gigir.

“Kadé ieu sanés halteuKadungora….” manéhnasemu nyikikik.

“Ih, mani émut kénéh….”

dicoba dicelok.“Saha nu hilap. Moal bisa

hilap ka dinya mah……” sora -na semu katahan. Kusiwelkana tasna. Ngaluarkeunnotes. Terus nulis diselang kuhulang-huleng. Hymneuniver sitas keur di-haleuangkeun ku grup ram-pak sekar mahasiswa. Dipirigsora piano padu manis jeungbiola. Bet mangpéngkeunpanineu ngan ka mangsa opatpuluh taun ka tukang. HaritaNia jeung papada baturnaguru-guru ngora, nga-haleuangkeun lagu “Syukur”dina acara milangkala PGRI.

Taun 1975 harita téh.Keur ceuyah pangang -

katan guru Inprés. Barudaklulusan SPG nu ngalanggurmangtaun-taun, kabéhdibislui tan. Ngan réa nudipeclengkeun ka nu jauh. TiBandung réréana mah, di -sebar ka Garut, Cianjur, Suk-abumi. Malah ka Sérang, kaPandéglang sagala rupa.

Untung kénéh Niasabatur-batur ditugaskeun kaKadungora. Di kotana deuih.Aya opat welas urang. Keurmeujeuhna mojang jekékan.

Dina rampak sekar, réaguru Inpres angkatan anyarnu kasebut geulis. Malahceuk Pa Jamhur, guru senior,taya saurang ogé nu goréng,boh rupa boh tangtungan.

“Hanjakal urang gancangteuing lahir….” poknaheureuy.

“Heueuh, urang gé han-jakal waka kawin…..” PaTohir némpas. Panonna teulésot-lésot nencrong ka pang-gung. “Tuh nu katilu tikatuhu, pangméncrangna.Mun urang bubujangankénéh, dikubet. ”

Téténjoan Pa Tohir teusalah. Mémang étapangméncrang na. Deukeut-deukeut ka Yattie Octavia.Tapi nu pinuh daya tarikmah, itu tuh nu kaopat tikatuhu. Kacamata fantasi nudipakéna, pas pisan kanakeureutan beungeutna.

Nu matak, barang taru-run tina panggung, gancangmuru nu dikacamata wé.Gedé haté pédah bubujangan

kénéh. Najan geus bogapapa cangan ogé, Maé, nukeur kuliah di IKIP.

“Saé soantenna,“ kitumimiti muka lawangwawanohan ka “Si Kaca-mata”.

“Ah, saur saha……Kadangu kitu? Pan rampaksekar. Sora seueuran. Sanésanggana sekar,” témbalnabari ngalaan kacamata.Dielap ku parantina. Rapdeui.

Wawuh wéh ka Daniatitéh. Sok pada nyebut Bu Ati.Ngajar di SDN I.

“Raos nya ujug-ujug ditengah kota,” rada digonjak.Da boga dulur, lulusan SPGGarut taun 1972, meunangtugas di Bayah, pakidulanBanten. Untung lalaki. Tapida nu awéwé gé, di Garutmah paling deukeut ditugas -keun di Ciséwu atawaCaringin. Leuheung ari urangBungbulang mah, salelewekkénéh. Ieu mah barudakawéwé urang Limbangan. Tipakaléran dipernahkeun ditungtung pakidulan. Loba nuceurik. Runghak-renghikhayang dipindahkeun kasakola di lemburna nudeukeut ti imah.

“Alhamdulillah,” témbalBu Ati, ”Pa Iyus di mana?”

“Tebih di Cisaat. “Ti saprak wawanohan,

méh unggal poé, gok deui-gok deui, lantaran aya ka-giatan olah raga jeungkasenian, nu ngalibetkeunguru katut murid. Atuh beukiomhang wé. Mindeng daharbareng, pédah kabeneranatawa ngahaja diajak, diwarung nu nyayagikeun paisjeung goréng lauk atawahayam, lalab sambelsapurati na. Tempatna lalua -sa, boh dina korsi méjamakan, boh ngampar sila.Deukeut setatsion karétaapiKadungora.

Sakali waktu, tas dahar,manéhna ngajak ningaliankaayaan statsion. Wangunanheubeul. Buatan jamanWalan da. Teuing taunsabaraha. Ngan geus kasebut-sebut ku Muhammad Ambri,dina buku “Numbuk di Sué”

nu medal taun 1932.“Raos mun calik di ditu…”

manéhna nunjuk kanabangku jati di buruan péron,deukeut tempat kaluar asuppanumpang . Kaayaan stat-sion sepi. Da langka ayakarét api eureun. Ukur pangli-watan wungkul. Nu matuheureun, karéta api “JimWést” jurusan Cibatu-Purwa -karta, nu indit ti Cibatunyubuh. Eureun di statsionKadungora, pukul satengahgenep. Engké balikna tiPurwa karta, eureun diKadungora, pukul genepmag rib.

“Ati mah resep da kanakaréta api….” pokna baranggeus gék diuk. Ngaréndéng.Nyanghareup ka jajaran erél.Di béh dituna ngaplak pasa -wahan nepi ka wates suku gu-nung Kalédong jeungHaruman.

“Euh, kutan Nia resepkana karéta api?” lahlahannyebut ngaran Nia, nénéhnatina Daniati.

“Nia?” manéhna neuteupsemu héran.

“Muhun Nia. Bu Ati mahsaur batur. Saur Iyus mahNia.”

“Mangga atuh ari kapalayPa Iyus kitu mah,” manéhnaimut. Beungeutna rada nyiak.

Ngawangkong aya kanadua jamna. Kapegat ku adanlohor. Jeung inget kanakawajiban ngurus barudakmurid nu keur milu tandangmakalangan, dipingpin kuguru séjén.

“Énjing hoyong calik deuidi dieu,” cék manéhna, semukalékéd rék cengkat téh.”Resep nyawang pasawahanmakplak. Angin ngahiliwir….”

“Iyus gé hoyong. Urangsareng deui wé atuh énjingcalik di dieu…” nyobaan ngo-cal-ngocal.

“Mangga, kersa mah….”panonna satukangeun kaca-mata, ngagurilap. Boanémbong keun kabungah.

Isukna, wayah kitu, da -riuk deui dina urut kamari.Tacan bener ngajar jeung di -ajar da masih kénéh dipakékagiatan. Jadi nyalsé pisan.

Page 13: Mitra Sunda - Mangle 2432

12 Manglé 2432

Ngobrol beuki nyosokjero. Ka ditu-ka dieu. Kanasagala rupa perkara. Kaasupkana soal pribadi. Kana uru-san cinta. Lebah dinya,manéhna rada ngaheruk.Ngarasa teu léahdipapacangan keun kukolotna ka barayana kénéh.

“Lulus ti SPG taun 1971,Ati nganggur . Teu ayapengang katan guru. Ayadulur ti pihak pun biang, tosdéwasa, tos gaduh damel,bubujangan kénéh. Nya Niadirérémokeun ka dinya.Papa cangan heula. Tukeurcingcin. Rencana nikah sasihsasih ieu. Ari pék Nia kéngingtugas ka dieu. Janten teu ciosheula. Duka sasih-sasihpayun…..”

“Nuhun wé tos téréh geu -ning. Iyus mah duka iraha danu diantosan kuliah kénéh.Pameng nembé tingkat tilu.Hoyong hatam dugi ka sar-jana saurna,” némbalanngabérag-bérag manéh.Ngarumasakeun haté ujug-ujug maskét ka Nia. Kari-karikitu geuning. Turug-turugMaé amleng kénéh. Asa bogaalesan keur néangan pang -lumpatan.

“Iyus onaman ngantosangé bari dihias ku cinta. AriNia?” manéhna malik neu-teup. Kacamatana burem.Aya cipanon ngeyembeng.

“Hanjakal Iyus kapayu-nan…..” asa meunang jalankeur ngedalkeun angen-angen.

“Nia gé hanjakal….tos ayanu meungkeut….” manéhnangasongkeun ramo kénca.Némbongkeun jarijina geusdibeulitan ali meneng. Sirah -na ngulahék kana taktak.Buukna diusapan. Beungeut -na didangheuakkeun. Kaca-matana dilaaan. Cipanonnadiusapan ku saputangan.Tapi Nia ngadon sumegruk.

“Iyus, kedah kumahaNia? Kedah kumaha ieuperasaan Nia ka Iyus?”manéhna eueuriheun.

“Sami Iyus gé kedahkumaha?” haté beukah kukabungah. Geuning teunogéncang.

Peutingna gulinggasahan

teu daék saré. Ngagutrutnulis sajak sababaraha judul.Teu dikonsép heula. Lang-sung didurugdug dina mesintik.

Sora keprok di aula,mapag wisudawan-wisuda -wati nu diistrénan,megatkeun lamunan. OngkohNia noél. Mebeskeun lipetankertas kana dampal leu -ngeun.

“Aos engké di luar, nya….” manéhna ngaharéwos.Nompo pisan. Persis opatpuluh taun ka tukang dinabangku péron statsionKadungora. Ngan teu luasneruskeun, kawas barétongaléndot téh tuluy digalé-moh. Diselang ku sili teuteupti kadeukeutan bari sili haré-woskeun ngaran.

Paingan cék AlbértoMoravia, bujangga Italia abad20 nu kamashur. Wanoja téhsumber énérji jeung imajipangarang. Dina novel “Ci-ciara” (1957), nu hartina “DuaWanoja”, ieu bujangga nulahir taun 1907, wafat 1990téh, ngaku, yén réa karya-karyana ngagolontor, sabadatepung lawung jeung parawanoja. Tepung lahir, tepungbatin. Nu matak karya-karyaAlberto Moravia mangaruhangedé pisan ka para pangarang“pop-erotik” Indonésia taun1960-an, kayaning MotinggoBusye, Asbari NurpatriaKrisna, Abdullah Harahap,jeung sajabana, saparakanca.

Acara lekasan. Manéhnapamitan mulang ti heula,kadua budakna, dijajap kusupir.

Sabot nungguan barudaktilu daratang, kertas ti Niadibuka. Eusina, omat-omatansangkan ngalongok statsionKadungora. Jiga kumahaayeu na, jeung kumaha ke-sanna.

“Diantos laporanana viasajak atanapi carpon,” cenah.Tadi ogé mani hantemnyarita, pajahkeun, teu asajauh jeung Iyus da sajakjeung carponna kabaca terus.

Di dinya ogé aya cutatansajak “Halteu Kadungora” nukungsi dibaca babarengan kuduaan, dua tilu poé saméméh

pajauh. Bari diuk pagégéyédina bangku péron. Dipirighiliwir angin jeung sora récétmanuk di sawah jeung dipalataran péron.

Harita langit kaleungi-tan méga

Harita galéjra kaleungi-tan pangeunteupan

KatigaAngarHarita bulan jeung

panonpoéBencar dina sesemplékan

haté.

Méméh kalimah “haritabulan jeung panonpoé”, dise-lang ku piligenti nyebutngaran. Bari sili teuteup. Silibikeun kageugeut. Ditung-tungan ku rambisak nungaburemkeun kacamatana.

Malah kalimah “pirakupoho” ogé aya ditulis kumanéhna dina éta surat :

“Ungkara ‘piraku poho’teu weléh dikedalkeun kuNia. Enya, basa urang kaluarti statsion, ngalangkung kakantor pos, bras ka jalan raya.Nia harita langsung mulangka Bandung. Neraskeunjangji nu geus digurit dina cirijariji. Hanjakal Iyus mah betbolay ka Maé. Moro julangngaleupaskeun peusing……”

Ungkara ‘piraku poho’ nudimaksud ku Nia, aya dinasajak “Setatsion Kadungora,Bulan Méi” :

Warna-warna tulisangeus dipulaskeun

Dina témbok setatsionNu ropoh ku kakolotan

Najan ngan ku rindatpanon

Rupa-rupa caritaan geusdibalakakeun

Dina bangku setatision

Piraku poho: sabottungkul balem ngaheneng

Méméh kedal angen-angen nu disidem

Kuring sadar, tuluy nga-heneng

Jariji anjeun dibeulitanali meneng

Piraku poho: bari

ngaléosNyimpang heula ka kan-

tor posNgirimkeun surat kilat

pikeun alamatCinta urang nu teu kebat.

Mawa kabungah, tiluanak asuh réngsé diwisuda,kari neruskeun léngkah per-juangan saterusna dinararaga ngoméan nasib jeungcita-cita. Bari mawa kasusahnedunan paménta Nia, kudunéang setatsion Kadungora.Hartina kudu néang tapaklacak baheula nu pinuh kudosa jeung mamala.

“Robbana la tujugh qulu -bana ba’da idhadaitanawahab lana min ladunkarohmatan innaka antal wah-hab,” sajajalan haté nguni -keun du’a kapancegan. Ulahnepi ka galideur deui kukalakuan nu enggeus-enggeus, lantaran ayeunageus ajeg dina niat katut tuju -an nguatan kaimanan jeungamal soléh pikeun mupusdosa nu enggeus-enggeus.Dosa nu ceuk AlbértoMoravia “tepung lahir,tepung batin” jeung parawanoja sumber kalinuhungankarya. Pamadegan nu tangtupapalingpang jeung anutanakidah katut kasadaran kanakaimanan jeung kaislaman.

Lalakon jeung Nia, nu ba-heula, nu ayeuna, tutuplawang sigotaka sabada béréswisuda anak asuh nu kaduapuluh genep, nu diajangkeunkeur jalan amal soléh katuttaubatan nasuha. ***

Catetan :

Sajak “Setatsion Kadu -ngora, Bulan Méi” dimuatdina buku kumpulan sajak“Sabelas Taun” (1979).Saméméhna kungsi dimuatdina Majalah Manglé, turkasinugrahan Hadiah SastraManglé taun 1976.

Sajak “Halteu Kadu -ngora” dimuat dina bukukumpulan sajak “Nu LuntaJauh” (1990), bagéan kahijinu maké subjudul “Runtah-Runtah Jahiliyah”.Saméméhna kungsi dimuatdina SKM Giwangkara.

Page 14: Mitra Sunda - Mangle 2432
Page 15: Mitra Sunda - Mangle 2432

14 Manglé 2432

Dede Syafrudin

Urang & Urang

I

ngan na mata kuring

anjeun kudu nengetan diri anjeun

laju geura anjangan ieu jajantung

lebah rohang-rohang peteng, ogé

rohang-rohang cangra

II

ngan na mata anjeun

kuring rék ngintip diri

ngintip langit, béntang-béntang,

bulan nu sapasi, nu purnama,

ogé nu samagaha

III

urang lenyepan ieu keteg jajantung

dina wirahma simpé, ah geura sieuhkeun

sora-sora haliwu anu silung

Solat Subuh

I

Nitip dikir dina reumis

Solawat Rosul mucuk ibun

Srangéngé monténg langit, Gusti

Sora saabrulan manuk

Nadoman Asma Salira

II

Saampar sajadah

Ngembat temen karumasa

Léngkah horéng remen ngénca

Biheung teuing bisa lempeng

Mun teu diasongan pamuntangan: Ahad

Page 16: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 15

Dea Lugina

Di Balé Kambang

Ungkara nu datang

Hujan di balé kambang

Dangdaunan ngarangrangan

Sora rincik dipetik deui

Sabot hujan nuliskeun girimis

Sajak-sajak reumbay citangis

Kalangkang kalarung

Nu dipedar langit alum

Sajak-sajak beurat ku usum

Luhureun talaga reueuk

Antara hujan katineung

Jeung angin kakeueung

Sagagang kembang taraté

Soré masinikeun simpé

Sabot hujan malidkeun haté

2012

Page 17: Mitra Sunda - Mangle 2432

Éris Risnandar

Di Lampu Mérah

seuri atuh sia téh da lain embé(tulisan stiker dina hélm kabacasarérétan di lampu mérah)

belenyéh seuri konéng

rét ka sisi ka gigirmobil motor tingbelenyeng

2013

Ngahérang

ngahérang neuteup lalangitbruh-bréh gambar idup

tuang seuri nambulkalangkang sorangan

2013

16 Manglé 2432

Page 18: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2411 17

Onnok Rahmawati

SAJAK QONA’AH(Keur si cikal)

Asa teu kungsi kabandungan hidep ngedalkeun hayang jadi dokter, insinyur, persidén atawa jéndral. Tapirurunguan indung sadia, basa hidep norolang gunem catur rupa-rupa élmu hirup. Asa teu kungsi apal,hidep boga katiasa nu nyongcolang. Panon indung ukur nyerangkeun nu ngadekul hareupeun léptop bariremen geregeteun mun eucreugna maro jeung ngulinkeun stik gim. Ayeuna rék kumaha? Bada hidep run-tag di antara réwuan calon bintara, bingbang dina barisan bakal perwira? Nyebut teu katoong jadi guru.Boboléh teu kabita ngalap hukum. Hayang jadi naon atuh? Reugreug batin sotén manggih rupa hidep lainroman anu ngangluh. Sukur. Najan Rama hidep jadi gering balas sagala dirasa. Keun baé tong dibibisanida éta téh nyaahna. Kiwari hidep ngacung menta bongbolongan indung. Baruk hayang sakola bari usaha?Teu aya nu neuleu gigir. Jempol ge réa nu notog. Haté indung reueus-peureus. Tapi keun baé kajeun. Panpanto gé dijieun eujeung sosina. Mun kamer meureun jeung angin-anginna. Haté nu ayem ditingtrimanku tumarima. Jelema hirup digondeng hurip qadarna. Tanjeurkeun sapanceg gunung uhud. Ngan indunggedé mihapé. Peupeujeuh, hirup mah teu kudu hayang ngajadi sirah, mangka balai rieut. Tong ngimpiwentar ngaran tinangtu gedé pajegna. Nam geura luméngkah teuneung ludeug najan tan aranan. Laa-haola walaa quwwata illaa billaah. Sing waluya cita-cita. Pareng hasil tinekanan jucung apanjang-apun-jung.***

Ciamis, 5 Mei 2013

JATNIKA NU SAESTUNA

Kang. Bernard Shaw cenah. Saha? Duka teuing. Béjana mah tukang nulis nu kantos miskin. Teu aralmideudeuh leukeun. Ngabuah darajat. Pabukon ageung lengekp rohang pamér lukisan di Tralagfar squareBritania, jleg hurung-hérang. Harta ngaleuya. Mun dipésérkeun sesepeun, sabara pabrikeun. Atawa pu-luhan setél anggoan trén. Sing sarwa garwa atanapi tutunggangan méwah bisi badé jeung sajabana. Al-imeun. Bagjana lain bisa mésér saparo dunya. Nineungna téh keukeuh kana kabasajanan. Banda nu teuweléh dipiboga ti keur tuna mula. Barayana batur calik cukup maosan buku. Perkara eusi mastaka jeungdadana sumebar dina seratan. Pelesirna nutupkeun soca, ngencarkeun ciciptan. Nyieun diri sakahayang.Ikrarna micinta qadar dina lillaahita’ala. Ngamuara bagja.Kang. Asma binti Abu Bakar. Saha deui cik? Istri sohor nu gaduh jujuluk Dzatun Nithaqaini. Demi Zubairtan harta iwalti kuda. Tapi ibadah cintana minuhan dada teu kacacadan aral subaha. Gusti teuing. AkangBernard? Kuring Asma? Tebih. Tapi widian kuring ngemutan Akang. Omat tong ngajak nyiar bagja kusulap nu teu pati luhur regana. Ulah murukusunu muru-muru luhurna kalungguhan nu can karuh. Nga -momorékeun bagja awak ayeuna anu enyaan. Komo ngengkékeun ibdaha ku kangoraan. Bisi kabujenganggeusan.***

Ciamis. 2013-05-05

Page 19: Mitra Sunda - Mangle 2432

18 Manglé 2432

Toni Lesmana

Kasarung

Di kulon usik cahayadi langit girimis ngepriskatumbiri, katumbiri di parapatanurang lir panonpoe jeung hujansésélékét sapanjang gurilap jalannéang leuwi satengahing kotaléok deui ka hotél, léok deui ka hotel

Lembang, 2013

Surat Simpé

Basa simpé ngajak mulangSit uncuing ngelak di kamarPati ngerewih sapeupeutingDiri ngampih kana puisi

Lembang, 2013

Saméméh Reup

Lir ganja muruluk luhureun pahpirRaga téh horeng nganti dilintingGaring temen nu lawas leungit cimataAya seuneu teuteupna geugeut kacida

Lembang, 2013

Page 20: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 19

Hirup

Misurti kapeurih saestuna nyered abad-abad mongkléng,mamanggul tatu ratusan taun ka hiji lautlaut, nu iberna saukur catetan raheut

2009

Birahi

rimbil ku jamparing atawa jarum suntiksarua kénéh, da geuning papada ngemasing patilumampah lebah dongéng atawa kanyataantaya bédana, apan luak-léok muru tungtung

lebah tungtung, naha énya aya nu milang tatunu sidik mah, aya birahi nu hamo bisa ditampikti jaman ka jaman. ti kurusestra ka perang duniaaya birahi nu hamo bisa ditampik, ngajak ngampih: duka kamana!

2011

Page 21: Mitra Sunda - Mangle 2432

20 Manglé 2432

Yosef M Ibrahim

BEHIND BLUE

Noor, haseup banget ku peurih na dada kuringsanggeus pélor racleng narabas pangparatan rasa.cinta urang bakal manjang sapanjang jalan Tasik-Sukabumimasih kénéh ngembat dina tarang, na genggerong tapak-tapak mariyuanalulumpatan ngudag bulan nu nyayang na impian.Kapan kuring geus nitipkeun kamelang dina pot kembang,na dada anjeun kuring melak siki kacang nu bakal hirupjadi bandéra nu ngélébét na sela-sela sukmagening kekecapan téh teu waé pareng jeung ramalan béntang nu paanggang,dina kalender kuring ngajirim angka nu maturan tik-tekna jam.detik demi detik kaliwatan, wanci demi wanci tuluy peuray.Angin... angin pagaliwota jeung riakna hujannyaian pot kembang jeung siki kacang nu teuing iraha kasorang.

4.4.13

KADO:Noor Ilmi Amalia

kuring hayang méré panon poésupaya teu katiisan mun peuting datangkuring hayang méré bulansupaya teu kapoékan mun indit-inditankuring hayang méré béntangsupaya teu sasab mun leumpang nyorangansaupama gusti nanyakeun kuring nu ngomongna

16.4.13

Page 22: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 21

ANJEUN

srangéngé ngaduruk lamunan urangduaan, unggal peteng ngajirim palita caang nganteur balébat nu jadi haatmancerkeun duriat ngahuru jagatmanggih nineung nu teu waé ludeung :lamun srangéngé bencar, naon nu ditéang?

bulan nyaangan mongkléng urangduaan, saban rembet kawat pan rea nu kaliwattagihan telepon, kartu kredit jeung rekening listrikpeun hariring nu unggal peuting ngahinghingna haté nu mingkin pagiling gisik tiap rénghap jeung usik:lamun bulan pareum, naon nu dipikahayang?

sagara ngemu satungkebing hariwang urangduaan, caah nu matak anggang ogé ombak nu neunggarankahéman neundeun katugenah na tiiran manah angin jeung séahna sarta hujan katut gebrétnatilem na lamunan kari beja nu geus laas na impian:lamun sagara képlok, naon deui nu dipikamelang?

Anjeun, ceuk kuring2013

ÉLÉGI*)

Jungjunan,gening anjeun buligir hareupeuneunteung sebrangeun sofa nu didiukankuring, anteng wé ngilikanbisi aya bohak jeung tapakbatur nitipkeun kamelangpanon ngadadak caianjadi vodka anu unggal poé ditotortina keclakna haté kuringAnjeun mabok, kuring milu lieur

Jungjunan,naha maké ngamang-ngamang botolharepan nu tuluy dikucurkeunkana awak anjeun soranganbeuki hérang,beuki jelas buligirna na panon kuring

25.3.13*) Dijudulan ku Noor Ilmi Amalia

Page 23: Mitra Sunda - Mangle 2432

22 Manglé 2432

ARI ANDRIANSYAH

KEDOK

Kedok-kedok piligenti tingjuringkang luhur kalangHideung bodas kelir wanci pakalangan patandangan Tangtungan waruga banjet, saringset pageuhna iketPangsi wulung, janget ngurung, bahar lalakon tarung Dipedar rintih sekoci dina pamulu saweuy injeumanLaju lalampahan ngaronghéap sarénghapan gonjang

Taya bédana antara wates dongéng jeung kanyataanDipadungdungan guruh aweuhan émprak deungeunSagalur carita nandaan adegan demi adegan hirupnaSaringkang dikungkung satru ijén jeung papasténnaSakalangkang ditalikung sésa cangra jeung samarnaSajorélatan gurilap bedog, satawuan getih pamungkas

Naon nu lana diabar sabada wowotan saban pakarangUkur leungeun ngabandang lésang saban ranggeumanUkur jejerih neueulkeun jaheut raheutna mili kapeurihAdegan muru surup di tungtung gembrung gonjinganKedok-kedok piligenti nungtut rubuh saparat kalangKalang takdir patutunggalan kuring jeung kurungna

Tempuran, 2012

ARI ANDRIANSYAH, lahir di Bandung 18 Januari 1988. Alumnus JurusanPendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI Bandung. Nulis di sawatara media.Kiwari dumuk di Karawang jadi Guru Basa Sunda di SMAN 1 Ciampel,Karawang.

Page 24: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 23

PIGURA

Kawas sasari anjeun anteb nirukkeun sasamar teuteupMedar gambar lebah pigura nu ngubeng galeuh caritaSakaca-sakaca reueuk rumeukna diséka tina kekebulTi mimiti kelar geugeut roncé munggaran panganténanImah heureut geusan ngandeg, nepi ka opat pancer kelirTi opat rupa kabedang anak nu lawas lampar jengkar

Satemenna taya nu robah wanda tina wengku piguraNajan lambaran buuk ganti pulas, waruga ngabanda ragasKatut sajatining warna nu ngalimpud saukur kulawu piasNu wedel éstu kamalé trésnan tina galindeng hiji indungNawajuhan tukuh laku sapanjang ngasruk rungkun waktuSapanjang lésot ayun ambing nepi ka hirup nu dipiaing

Tina lalamur panon sarimbit kulawarga basajan lumakonDina pasagi pigura tempat imah jeung balébat bumetahManeuh dikaitkeun kana rengat dada témbok rangkebongLaju kaca dumadak juuh dina rangkulan renung katineungNu nyangkrung saméméh saab galindeng sora panggeroSaméméh saniskara inghak jadi kasono nu terus ngeclak

Arjasari, 2012

BATU-Surat keur Oedipus-

Nya anjeun lalaki nu satuhu dilulun talikung waktuNyunyurung batu wulung tina beku cimata gandrungKatineung lawas ngaringkel dina saban urat boléasLambaran buuk muruluk, rangkétan waruga pasiksakNgaringkangkeun deui sésa léngkah nu jauh kalangsu

Tina talaga ngénclong nyidem saniskara kapeurih bihariSampulur awak ngaronghéap nyodorkeun léncop rémaTigin riakna masih karasa nyéak kana wuwung kujur tatuAnjeun mapag mudun kawas mangratus windu kalarungTapi angin nenung kalangkang tungtung ranggeuman

Teu kudu tumanya naha tresna nyanding jeung ajalnaTakdir lir jerona talaga sayaga nerebkeun nu kapibandaAtawa netek nanjak sorangeun sorangan kebatna ahératLebak jeung landeuh lana jadi pasampangan pikeun hirup Disurung jeung digulutukkeun pikeun nu kasakitu kalina

Karawang, 2012

Page 25: Mitra Sunda - Mangle 2432

24 Manglé 2432

Ibnu Hijar Apandi

Sindanglaya 1

Bagéa Sindanglayatanah pangancikan panineungannu nyidem saniskara caritakiwari kaseuseup deui mawa hégar pipikiran

Ringkang-ringkang katukangnarémbongan saban péngkolansapudunan lalamunansatanjakan panineungangugupay lir ngajak mulang

Bagéa Sindanglayatanah pangancikan panineunganangen-angen nu geus tilemkiwari harudang deuimarengan asih nu anyar pinanggih

2010

Page 26: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 25

Sindanglaya 2

Di gunung imut halimundi langit naleukeum ceudeumnajan ceudeum henteu aleumneuteup kalangkang nu betah manjanganngagulung waktu nu sarenghapan

tepiswiring ngahariringkaso pondok kaso panjangmirig asih sungkan baliksono pogot sungkan mulangsajagat pinuh duriat

Tengah beurang entrang-entrangsababak carita cacapnyukang carita anu kaduakorejat kalangkang cengkatkagebah ku sora gaib

Satangkarak jagat rempansatangkub langit inggisbongan ringkang bongan ringkangngumbar rasa lain mangsaasih dipegat ku wanci

Mulang kalangkang jeung hariwangsalengkah nyukang salempang keupatna jeung boa-boapaur gunung bitu caturmelang langit hujan carita

Kebat lengkahna kalangkangnutup laku mungkas kecapneundeun paseukeun nunda pelakeunsusuganan aya mangsanarek diteang deui jaga

2010

Page 27: Mitra Sunda - Mangle 2432

26 Manglé 2432

Ipung Thaifur Abu Yazid

Sajak ti FINA

Dina méjaaya salembar kaasihti Anjeun,nu dipulas kayas.

Pinuh panineungan.

Bandung, 2012

Hariring Haté:haturan Fitri Siti Nurjanah

Neuteup kasimpé langit nu mongkléng béntang-béntang ngigel na sagara peuting.Ngan hanjakal, taya Bulan nu maturan.

Galura méga ngagalindeng nyasaak sagara peuting,haté kumalayang, mapag sukma nu sasab lampah.Miharep manggihan Bulannu teuleum na mongkléngna sagara

Jentréng kacapi ti béh Wétanmawa mangréwu guligah, nu saban mangsaku salira sumputkeun na jeroning manah,ngadadak kapireng mirig asih na haté.

Bandung, 28 Fébruari 2013

Page 28: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 27

Nazarudin Azhar

JAGAT URANG

hujan meuntaskeun urang ti kahirupan nu ilaharka dunya metafor. misahkeun urang jeung uranglaju dipaparin tambah jeung kurangnu kongang jeung nu wenang, patalimbeng

léngkob jadi kota lambang, gedong jangkungngalaungkeun geueum leuweung nu midangdamsangkuriang. urang nu keur misah dongéngditepungkeun dongéng séjén dina kaniskala asih

tatangkalan nyumputkeun semudina cahya nu kulawu. cikaracak daunna ngeclak kana batu nu demit tapi karasa beuratna sabot urang ngaléngkah, di antara patalimarga nu bangun salah wayah

pirang-pirang lolongkrang pajurantenggaris-garis nu ngénclong sanggeus lawangrobah jadi lukisan. anjeun dina warna nu sampurnakumalayang tina tembang kana tembangdumalingding tina kembang kana kembangwarnaning ringkang salingkung jeung nu keur gandrung

sora-sora mayeng, monoton, sora-sora ningkahdina pangreungeu séjén. nu ditepikeun plang panuduh jalan ukur kalimah nu remen ditatah ku leungeun-leungeun nu manjangtina ingetan. sapanjang dingding labirincatetan mulangkeun rasana, saban kecap masrahkeun ma’na pikeun sawarganu asa angger kapalang. papada urangpiligenti jadi wujud jeung kalangkang

prosa dina eunteung nembrakkeun ayanapuisi nyalindung ka nu kongang dipisahaterus aya maranéhna nu mibanda urangna pelong teu jeung jirimnasatungtung deudeuh, urang remenkudu milah-milah ungkara

jagat urang raména ku réa haténu galécok silih tanya silih euleuhandisonokeun ku karémbong pangaisanbalébat na carita séwang-séwangan

Page 29: Mitra Sunda - Mangle 2432

28 Manglé 2432

di dayeuh nu geus robah sagalanalelembutan dipulangkeun deui hujanmapag urang nu datang dibandang melangngajurung miang dua raga nu sadrahdiperih anggang

2011

CALUNG TARAWANGSA

dina tangkal kadakaanareuy geweng ku mindeng kagunasika daun pugur lanyap caturmilih suka pangsimpèna

nu ngarah nilas ku haatdirumat dibawa mulangawi hideung keur calungeundirantay ku tali leuweung

kai bengkung tara silungnalangsa sora migandrungdijentréngan dikawihanmukahkeun rohang kaliwung

haleuang nu keur ngaheningmulasara kanyaahna

2012

Page 30: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 29

PIGURA KATUMBIRI

hayang mileuleuheungkeunnu remen digambarkeun ku dentingpiano anjeun; manéhna nu datangti nagri cahaya, puisi nu tatalépati saban waditra ka waditra séjénlaju nawurkeun petétan dina hiji réfrén;

“kuring nu keur betah tuna ngarandatang ti lebah paluruheun anjeun…”

jiga rumpaka dina tembang cianjuranmélankolia nu ngintelkeun ciptaning harepan

ngajurung meuntasan gunungmapay galeng pasawahankalingkung kelir lumayungnu nyata teu kasartaankebul jalan, 39 péngkolankaleuseuh pasemon dayeuhraket jeung nu ngajamanan

“rék nyingkahan sakur landeuhpangancikan katunaannanjak kapahung ku euweuhpuncakna di panginditan”

pasir-pasir na pigura katumbirilir jangjangan haliber ka baligeusanjandéla nu muka bet gancang ganti riuknamidangkeun lampu baranangpanyumputan sakur mongkléng

di rohang nu sakabéhna geus jadi sora piano, puisi anyar lir aweuhan nu misah wirahmajeung sakur lagu purbanu keur kapireng sasora

2012

Nazarudin Azhar Pangarang, dumuk di TasikmalayaBuku puisina nu geus medal, “Ngabungbang” (Geger Sunten, Maret 2012)

Page 31: Mitra Sunda - Mangle 2432

30 Manglé 2432

Soni Farid Maulana

BALUAS

hirupna baluas welingteu rumasa meurahan baturbagja guyang na cimata deungeunngangon napsu teu kapalangteu hariwang nyukang petengteu hariwang diala pati

2013

KATAMBIAS

mun kuring katambiasestu hirup hirup kuma ombaklaju ajal ngaheurap nyawamung asih Pangersa nu dipundutNu Maha Welas, Nu Maha AgungNu Maha Suci: Lautan Hampura

2013

JEMPLANG MULANG

mungguh hirup ninggang kecrékcampala noroktok deui.sora rebab nyukang peurihmaut hinis jero jantung.sarenghapan méméh jemplingsahariring alif lam mim

2011

Page 32: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 31

PADUNG

rumasa paéh ka sirungda puguh dipager padungmungguh umur ngabukur caturdipelak taya kembangankarungu deui sora incuingngear di jero dada

2011

UMUR

mapag umur kolot kalapamatak muringkak bulu pundukmeri onaman tuing-tuing.hmmm, naha geuningan kieu.bener ceuk Hasan Mustapanéang tapak soang dina cai.néang tapak diri di mana;dina sésa umur anu méhongbadis bujur sééng;atawa dina amparansajadah nu belewukku lebu waktu?

2012

Soni Farid Maulana lahir di Tasikmalaya, 19 Februari 1962. Sabada tamat tiSMA, kuliah di Jurusan Teater di ASTI (STSI) Bandung. Mimiti ngarang dinabahasa Indonesia, nulis puisi taun 1976. Dina basa Sunda, taun 1980. KalakayMéga (citakan 1-3) mangrupa kumpulan puisi Sundana nu munggaran, diter-bitkeun ku CV Geger Sunten (1992, 1997, 2007) jeung Angin Galunggung (CV.Geger Sunten, 2012). Lian ti éta sasabaraha hiji sajakna disunting ku Ajip Ro-sidi dina antologi puisi Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007) jeung SaratusSajak Sunda (CV Geger Sunten, 1992) hasil suntingan Abdullah Mustappa.

Page 33: Mitra Sunda - Mangle 2432

32 Manglé 2432

RISNAWATI

TANAH LOT

Endah temen leungeun déwa nu kungsi ngagurat karangNgawangun jajaran pura. Lambak jeung karang unggal wanci Pataréma jangji macangkrama dina magisna gundukan rampéNu teu elat nyambuangkeun cinta ti mahluk ka nu Nyiptana

Tingtrim temen langit biru digurat réma emas sunrise nu moncorTina sela-sela pura bolong. Jojontor nu raca diteumbag lambakNgajanggélék jadi siluet némbongkeun kapengkuh adatNu teu leyur digempur panéka jaman

Lalaunan angin dumaligdeug muru palataran waktuNu haben tingjorélat ngalétakan pingping turisHaté-haté nu buligir teu daék reureuh diayun ambingGalindeng moderenisasi

(19 Méi 2012)

GUBENG – BANYUWANGI

Nyemprung meupeuskeun kasimpé hatéMeulah jajantung peuting nu teu weléh ngintipTina jorélatna jandéla nu lulumpatan diudag-udag kalangkangTangkal nu tingjungkiring lir bebegig tingkuniangDibaribinan hatong karéta nu ngahiung sapanjangPangparatan rasa

Bet muruhpuy ieu angenInggis wanci tikoséwad tina rél nu anteng pacantélSapanjang jalan nu kaliwatan. Padahal urang dihewag anggangJeung batin nu kumacacang

(17 Méi 2012)

Page 34: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 33

Heni Hendrayani

MAPAG TAUN ANYAR

Seah angin tungtung desemberKarasa neumbrag dadaNu bulistir suda hartiLeungeun hideng nyoek almanakNu unggal tahun ganti angkaUteuk milu sibuk cakah cikihNgitung lengkahMilang umurNu napel ukur kekebulNgotoran diriMun pareng isukan bisa keneh ngulisikBareng jeung ciibun Nu nyangkrung na jukutMaseuhan dampal sukuMere tanaga pikeun lengkah anyarNajan ukur lengkah panungtung

28122012

KARUNGSING LAIN WAYAH

Wanci ngagayuh ka peutingPoek satungkebing hateLain pedah euweuh panonpoeSab rasa dibulen pepedut hirupNa saha nu ngirim karungsingLain wayahIsukan balebat datangNgolebat bareng jeung harepan“subuh baris datang,” ceuk AnjeunBasa diri uyup ayap ngarayapNitenan firman AnjeunCahaya nyulusup nyaangan hateUkur sumegruk ngawakilan diri

01012013

Heni Hendrayani lahir 17 Februari 1966. Kumpulan puisi tunggalna nu geusterbit dina bahasa Indonesia Rumah Kupu-kupu (Kelir, 2011) jeung Desis KataKata (KSLS, 2013). Lian ti eta terbit oge dina antologi puisi Kartini 2012 (KKK,2012), Bangga Aku Jadi Rakyat Indonesia (2012), jeung Dari Negeri Poci 4(2013). Kiwari aktif di Komunitas Sastra Lingkar Selatan, Bandung

Page 35: Mitra Sunda - Mangle 2432

34 Manglé 2432

Prayoga Adiwisastra

LOMARI

Satutas muka lomari, bet karungu halimpu sora talkinTurta ramo-ramo ngadadak ngeprulkeun taneuh beureumLir keprulan kekebul nu diawurkeun ranggeuman anginDi dieu, seungit samoja kaambung leuwih nyambuang Tibatan sesegak parfum nu lawas diseuseup sungut katiga Atawa sambuang sarwa kekembangan sapatamanan

Kari tutumpukan lawon nu belewuk ku kekebul karingrangMulangkeun sagebar galagat mangsa lawas. Tapi lalaunanKalah ramo-ramo ngaragamang kana lalambaran boéhNu katémbong beuki dumeling dikeput kelun kasonoTuluy sataranjang waruga geus saged diamparkeunKawas lalambaran boéh nu geus nganti-nganti meulit diri

2013

AIR MANCUR

Paguneman urang geuning kalah ngambang dina balong air mancurKawas kalangkang bulan nu teu reureuh ngagolontorkeun getih beureum Dina korsi taman, anjeun masih nengetan lalampahan daun nu ngangkleung Tengahing beungeut balong. Ti mana jeung rék ka mana pangjugjuganana?Padahal muntirna cai geus ngaharéwos, yén saniskara lalampahan moal teuMulang deui ka huluwotanana bari ngalahun kembang atawa karingrang

Basa daun-daun keur anteng maluguran tina kembang taratéAya genclang kekecapan nu maluguran tina régang-régang kasimpéTeuing ku hayang urang duaan ancrub kana balong, neuleuman eusining Haté séwang-séwang. Tuluy lalaunan urang mubus kana gupay air mancur Saenyana, hiji mangsa urang bakal mulang deui ka ieu korsi tamanBari ngaranggeum kembang iman geusan nyorang taman kalanggengan

2013

Prayoga Adiwisastra. Lahir di Purwakarta 18 Januari 1992. Mahasiswa Jurusan Pen-didikan Bahasa Daerah UPI. Diajar nulis di komunitas sastra Turus jeung ASAS UPI.

Page 36: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 35

Hadi AKS

Catetan Kalakay

Lain muru katumbiri najan yakin sok ngempur palebah dinya. Urang cunduk bari pada ngeumbing simpé. Sugan mireng sora nu bisa meper kapeurih. Tapi lamping jeung gawirna geuning jempling, taya manuk jigrah mapag panonpoé surup. Ngan layung turun laun-laun ngarungkup embun-embunan. Urang nyuuh dina akar dina batu nu lukutan. Mupus beungeut poé nu kalarung.

Bari mopohokeun jiwa jeung ringkang sorangan, anjeun nanya: “Naha urang teu bisa jadi nu lian bari nampik ieu titis tulis?” Ukur simpé nyaliara basa kelir indung peuting dibébérkeun sang kala nu pinuh rusiah. Urang cengkat ningalkeun wanci nu hieum. Mulang muru panto jeung imah séwang-séwangan. Anteng deui milang kembang jeung kalakay nu marurag ti lebah lalangit kamar.

2012

Lamping Peuting

Lain hibar layung atawa pulas katumbiri. Manéhna angin rintih ngahiliwir na lamping-lamping peuting. Ngeleterkeun kakangen nu langgeng.

2012

Hadi AKS, lahir 16 Méi 1965 di basisir kulon, Pandéglang. Nulispangpangna dina wangun carpon jeung sajak. Kadieunakeun milu an-crub nulis fiksimini -- genre anyar nu ayeuna keur ramé ditarulis turdipadungdengkeun di dunya maya, Karya Hadi dina wangun sajakkungsi dilélér panghargaan Hadiah Sastra Dk Ardiwinata jeung HadiahSastra LBSS taun 1993, 1997, jeung 2012.

Page 37: Mitra Sunda - Mangle 2432

36 Manglé 2432

Darpan

Catetan ti Suku Gunung

Jeung sagelas cihérang baé, Emingalong dayeuh disimbut halimun laun-laundi buruan nu taneuhna beueus lalukutanpucuk pineus nuliskeun tiris nu kawas rék langgengnu ngarayap ti lamping-lamping gudawangsiga haté nu angger hieum

Geus dikirim-kirimkeun sora tina jemplingnaon deui anu nyésa, Emi, sabada batin korédasnyésakeun mangpirang-pirang kawaasnu nyalangkrung dina régang-régang kamelangurang meureun angger silih eunteunganbari haben tatanya bari puguh euweuh jawabna

dina ayunan kosong di juru panineungan urangkembang ngagolér kénéh taya nu miroséadirungrum ku hawa nu leungit aci-acina

Tuh, geuning ibun bajra geus ngaronghéapsedeng ieu puisi gugulayunan kénéh na pucuk rasagerentes rembes kénéh tina kalbu nu mimitingabatu. Emi, laratan urang boa geus lunturdina témbok-témbokna nu ngemu sungkawa

2013

Page 38: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 37

Dina Daun Katapang

Dina daun katapang nu baseuh ku hujannguniang rupa-rupa obrolan nu kalarungdiondang ku haté nu lila jempling

Dina daun katapang nu endag ku anginaya haréwos dareuda jeung peurihkadéngé ku lelembutan nu parongpong

Dina daun katapang nu ngiuhan jujukutanaya galindeng sora nu leukeun ngupahan nitah liuh ka batin nu ngabarungsinang

Dina daun katapang aya lalakonawir-awiran kari sapotong

20133

Lagu Kembang Jambu

Ieu lagu kembang jambu, bageurdihaleuangkeun ku benangsari nu palugurngahégar-hégar pakarangan

Taya rumpakana, iwal soranasumulusup kana bayah laun-launngamparkeun kakangen na kebon urang

Lagu kembang jambu lagu ligarna usumdialokan manuk begér na pupucukankawas sasari harepan disampay-sampaykeundina reumbeuyna pibuaheun

Mun téa aya hariwang ngalangkangantangtu tina sora silung nu maling-malinglantaran salira ngiwat dua tilu nadabari teu amit ti anggalna

2013

2013

Page 39: Mitra Sunda - Mangle 2432

38 Manglé 2432

Nurochman Sudibyo YS

Sembahyang Alang-alang

Yuh bareng tasyakuran karo sing gawé urip, yen awak ira wis bisa ngibadah ning sanjerone jagat padang jimbrang kaya mengkenénsoale ning kéné langka genah sing angker, langka awak sing langgeng keker. kejaba iku wong kang tumindak jujur; diarani ajur-ajér

Tak rasakna sedawané urip lelakon ngibadah kaya dené tambang sing dililit mubengngalar-alar sepira adoé. Kathon dhawané, digulung, diringkes maning marani galang, seambané sendang sing ayem tentrem

Yén bengi cahyané wulan katon padhang nyorot gegodongan gedangyén awan srengéngé ngupai terangé jagat dadi padhang jimbrang ora kejagankaro dedonga kaya dené alang-alangzikir dhawa uga ngalang alangmegeng awit esuk tumeka surup srengéngé abang puasa isun ya puasa alang-alangsembahyang kula ya alang-alang ngibadah kaya déné alang-alang, sewaktuné rubuh kena angin balangawak obah digoyang-goyangendas muter keteter, sekujur awak kumalayangkaya dené suluk ki dalang, dolanan wayangkesorotan ayang-ayangé dhamar gedhé kang padang.

2011

*Nurochman Sudibyo YS.Lair téng Tegal. 24 Januari 1963. Pun akrab gadhah nami sebatan Mas Dibyo utawi

Mas Noer. Rutinitas sedinten-dintené dadhos Jurnalis, peneliti uga penggiat seni.Aktif mimpin lembaga Medium Sastra lan Budaya Indonesia. Kawentar uga dadospenulis lan maos Kiseran, (Dalang Sastra tutur Dermayonan). Sederèt KaryanipunmangrupI puisi, cerkak, catetan budaya lan ésai ingkang nganggé basa Indonesia. As-ring dipun muat teng kathah media awit taun 1990-an. Antawisipun teng koran ming-guan Pikiran Rakyat Edisi Cirebon, saniki harian Kabar Cirebon, Karina, Mitra Désa,Pikiran Rakyat, Bandung Pos, Hikmah, Suara Merdéka, Lampung Pos, Singgalang,Riau Pos, Kedaulatan Rakyat, Minggu Pagi, Merapi, Solo Pos, Jawa Pos, Bernas,Surabaya Post, Bali Post, Bisnis Indonesia, Suara Pembaruan, Suara Karya, Ummi,Amanah, Republika, Media Indonesia, Pelita lan Majalah Horison.

Page 40: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 39

Kiser Saedah - Saeni

Kala mau jagat minangkala ana ing jaman karuhuntepaté atusan taun ning tlatar pantura, desané pinggir kali sewoning désa sukra. Ana salah sawijiné kluarga kang bakal nglairaken crita babad sengka awaling seni lan budayaSapeninggalé mboké, Saédah lan Saéni urip dadi piatu mang sarkawi sing dadi bapané rumaksana kepéngén duéni batur saumah lan nganggo ngopeni bocah loro mau nari mbok Maémunah si randa maésan. Kepirenga ning kala semono nyi randa ayu, pancene kemayu ananging nggadai sifat kang nyilakanisyirik musrik, ala gandes ning prilakunéatiné ora pada karo pangucapé.Jaré demen ning bapané lan bakal éman karo sing dadi anak waloné. Barang dirasakaken sawuan pindo nyi Maémunah mulai gawé tingkah, akéh jalukan lan pirang-pirang alesan sing gawé mang Sarkawi ora bisa nolak. Apamaning rasa tresna wis tuniba ngrakét ning sanjero batiné. Saédah Saéni urip kekoyak-koyak perih ning ati kaya gorengan opak. Nampi ning waktuné bocah loro nambah sengsara. Uripe sering pisan dilelarakadang ora dipai mangan, kadang arep turu diperwasapadahal bocah loro mau ora nduweni salahning batien Saédah lan Saéni nggerentes ora mari-mariséring bareng tetangisan, tapi ora wani wadul ning sing dadi bapanésoalé pernah kedadian wara-wara, apaning ngalami kenang jahaté mimi Maémunah, dumadakan bapané disewoti diarani abot sebelahakhiré serba salah.Sampe ning sawijineng dina, krana rumasa abot angoné njalanaken urip kakaluargaan, Maémunah mulai jejalukan. seumpamané mang Sarkawi masih demen lan tresna. Jalukané supaya bisa misahaken keruedan sing dirasakna yaiku Saédah lan Saéni kon dibuang mbuh dipateni ning tengah alas sing renggit, sedengé sing paling parek kala semono sing ana ya alas séwo. Supaya ora ngalang-alangi tresna sejatiné lan kasih sayangé wong loro, Sarkawi nuruti bae panjaluke Maémunah yén ora bisa urip mbagi kasilané mang Sarkawi, sun mung bisa nggo mangan wong loro., Mulane anane Saédah lan Saéni mung dadi memala, Maémunah ora bisa jongjon mbagi ékonomi.

2010-2011

Page 41: Mitra Sunda - Mangle 2432

40 Manglé 2432

Arif Abdilah

dina jandéla-indung

méméh layung ngubur panineungandina jandéla, gening raratan salira atra kabacarénghap karasa namper minuhan kacalebah dinya, ngaran salira natrat tapak nulis kadeudeuh kuring

di luar langit alum hujan ngucurkeun cimata kana jandélaaya nu sumelendep kana hahalang kacapipi salira nu riut diturih cuaca

salira beuki sepa sedeng sepi tuluy ngukuntit lebah pangkéngdina hordéng nu jadi panyumputan ringkang dua mata ngukur anggangna jarak: aya jeung sirna

désémber, 2011

surat keur sepi

biheung teuing mun purnama teu leungiteun rupapeuting teu leungiteun warna. kari hideungna!bari leumpang bulan anteng disimbutan mégadipayungan halimun dikiceupan 25 watt béntangurang ngudar langit satarajang

biheung teuing mun kota teu leungiteun alamatnaléngkah urang tepi mana paratna. kari hégakna!bari mulungan kakelar horéng peteng gugupayanlebah péngkolan jalan. lebah parapatan lampu setopan leungiteun kiceupna

di kota. salambar demi salambar angin rawék dikésétan sepi disebitan peuting disiksikan jemplingliuhna ditinggalkeun kawih tingtrim. kari peura nguluwut saban séahna, rumangsak lebah rurungga kota

2011

Arif Abdilah. Dibabarkeun di Majalengka. 01 Januari 1989. Alumnus PendidikanBahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung. Kiwari aktifngokolakeun Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS) UPI jeung Turus Hima Pen-satrada.

Page 42: Mitra Sunda - Mangle 2432

Rinrin Candraresmi

Snorkeling

Aya nu héman melak petétan harepan di dasar sagara angar, muga jaga tumuwuh saniskara wa -ngun karang mareng jeung ketak katut kelirna mareng jeung ganggeng katut lukutna.Dijampé-jampé ku matapoé diparancah kanyaah bulan diayun ambing angin nu tigin diceuceuhcai nu maneuh, néléngnéngkung-néléngnéngkung kum sirung sing jangkung melentung sing nebanyaliara sing ngareuy rembet jembet sing nyagak nya ranggakgak, jadi tonggoh jadi landeuh jadisédong nyangkeredong jadi ruyuk jeung bunina jadi jungkrang jeung lewangna jadi guha jeungrusiah petengna jadi leuweung jeung sima gerotna.

Kapan mareng jeung sagala nu renung, baris ruménghap bangsaning nu ngukuy nu mumbul nungaléor nu ngagéboy nu ngocépat nu ngolépat nu ngaliang nu silanglang nu ngarandang nungalayang nu sisitan nu buntutan nu peurahan nu setruman nu capitan nu cangkangan nu balu -ngan nu teu tulangan nu nyorangan nu ayang-ayangan ; pikeun netep renggenek atawangalanglang sakadar nganjang néang luang.

Tuluy mareng jeung satungkebing nu ngaalas bandawasa séwu-séwu téntakel mekarkeun sarwa -kusumah mirupa patamanan nu lalilir laligar jauh di ditu di daratan, lir anyelir kanikir kembang-merak daunpérak kertas hébras asparahas aster aliander désémber sebé réndé taraté srangéngébakung kucubung jantung tanjung cantigi jayanti walini gandasoli sadagori puring kacapiringkamuning srigading jeungjing sungsang hanjuang jahéwelang capithurang kucayjepang patah -tulang campaka kananga kadaka kastuba kaliandra tapakdara ; duh asmaralaya nu sampurna disuklakna di siklukna!

Tuluy tina pirang-pirang nu rumingkang nu gandrung mulan nu gandrung moyan nu gandrungmelewung nu gandrung ngalayung sumirat warnaning wungu kulawu paul hideung beureumkonéng héjo oranye coklat bodas kayas ; mirungrum kujur séwang-séwang sawatekna-sawatekna!

Aya nu haat nebar bibit asih na kikisik jaladri sepi, muga ti ayeuna ieu sakumpulan sato héwannu cenah basajan nu ahéng mapakan dongéng-dongéng nu hirupna jadi tangkal jadi sekar nupatina jadi tunggul jadi batu , karaksa-kariksa na tirtaning laut welas asih palias ditandasa raja -wisuna!

(Pulo Umang, Dés 2010 – Jan 2011)

Rinrin Candraresmi, salian resep diajar nulis (sajak, carpon, naskah drama) ogé aktip di dunya téater.Salila neuleuman seni peran, kacatet, kungsi ngarojong pagelaran pikeun sawatara pakumpulan seni,pangpangna nu aya di Bandung, diantarana Caraka Sundanologi, Teater Sunda Kiwari, Studiklub TeaterBandung, Laskar Panggung Bandung, Teater Senapati, Teater Bel, Paguyuban Panglawungan SastraSunda, Actors Unlimited, NEO Theatre (Exploring New Paradigms), Samba Sunda, jlté. Mindeng dipéntamaca sajak jeung jadi juri sajak dina sawatara kasempetan.

Manglé 2432 41

Page 43: Mitra Sunda - Mangle 2432

Ihung

Mengingat Sajak Si Ujangaya sajak nu motékar. yaituh sajak si ujang. sajakna benclung, benclong, dahsyat. kapunjulan si ujang: baong.asli, pituin pisan. gagah namung okéh. mudigdig sekaligus menyihir.dina dasawarsa pancasila, si ujang nagen jumeneng. ngéngklak mapakan mega. tandang nga-barca-madrid.wedel, tak ada yang menggoyahkan. nyanganaha? panginten, nu sanésna masih jumeneng luhureun samping.masih sesah ngantunkeun kebat sareng layung nu mencenung. na mastaka sim kuring: si ujang tidak boléh dibiarkan berléha-léha. goréng keur anjeunna. goréng ogé keurbalaréa.karunya: atuh si ujang langlang-lingling. suat-siet taya layan. taya batur makumaha. taya geusan mecak élmu,mecak wewesén kadugalan.kanggé encon, mumung, ucup sarimbit, sami. teu kénging gaduh émutan yén nu namina sajak sunda, ukur siujang sapajodogan. nu disebat haleuang tibang layung nu ngempur ti palih wétan.wiréh saleresna. sajak téh eusining émutan. gaduh luang: kekecapanna. tiasa digudar-gédor: kahoyongna.mangga téh teuing. embét badé ngadamel honjé tina risbang. uus badé nyungkelidkeun kanyut (saur kang goditéa mah) kana kutang. atuh opét badé nulak-cangkéng dina tarang, hempék téh teuing. moal dicaram. moal di-toél-toél acan.sunda mah leubeut. komo lebet tina sastra. komo lebet tina sajak. ulah. ulah jadi radén saléh. ulah boboéhméméh paéh. hayu. utamina kanu anom. cuang singkil. cuang nyieun jujutan. cuang manjangkeun husnul khoti -mah.sajak-sajak sunda terus eunceuneung. tinggurilap. ararédan.janten kiblat ngaburisatna pasoalan di indonésa.

2013

Nu Kaduanaon bentenna cikunguya sareng mastaka.cikunguya mah panyakit. mastaka mah panyawat.pan rabul tina mastaka. hayang malédog camat nu doraka. hayang mijah-mijahkeun beunteur di jalanra ya. hayang paséa jeung jawadah. hayang ngarogahala cut meutia bongan génjér dipelakeun di bu-ruan.jul-jol lého tina sirah. nyaranyikeun és lilin. nabeuhan kendang. kumétap pédah peda nu tatanggaseungitna kabina-bina. lého aya nu ngaley. kana angen. hariweusweus hayang nyieun pos kamling.hayang nyieun kantor pos nu logona ngajeblag siga adidas.rentul dina hulu. jangjawokan. pélét. ésénangka ngahieng macakeun kulhu. jaba hayang kabual sédan.hayang umroh jeung biduan. jaba bitis keukeuh nulis-nuliskeun kisah ceurik santri aa gym. ongkohpalangkakan gogoakan. kélék bisul. hutang. iris. balong bedah. ari na tipi kalah haben ku opéjé…ya aloooh…mun mah sirah bisa ditukeuran jeung duwegan. hayang teuing réhé comrék. ngahenang-ngahening.rék tirakat di tutugan. nyieun sajak. nyieun carpon. ngantos anjeun, ngadongkapan.

2013

42 Manglé 2432

Page 44: Mitra Sunda - Mangle 2432

Jalan Terakhir Heri Djuhaeri

“asihan sirining kembang. sampakan kembang riring kembang gading. kembang sagodébag bancana. mengkaasih satangkubing langit. mengka welas satangkaraking lemah. nu jauh paburu-buru. nu deukeut paboro-boro.sepuh-anom lanang-wadon, sing asih ka awak aing. pratiwi sulistiana, sia sing asih ka awak aing. sing bogohsia ka aing.”

2013

Naon Bedana, JapatiJeung Santri Kalong?

sami-sami lindeuk-cureuleuk. gaduh béntol dina bujur. hiber ka langit seja munjung ka nu maha agung.di tatar sunda, santri kalong nganggé sinjang. angkat teunangan nyandak kitab dina dada. na harigu,raray pun guru ngagelenyu. piwuruk sareng dederuk ngabaruang sajeroning kobong.tuluy japati ngadeluk. euntreup kana giribig. macokan sajatining huut jeung haat. satékah-polahngalelempeng hulu jeung léngkah. ngalelempeng leumpang na poé nu beuki kadungsang.japati lindeuk-lindeukna santri. nyuhun kardus dina hulu. nelekinkeun babacaan. ngajajar na sola -watan. pareng tahlil angkaribung nyandak kupat jeung berekat. dimana atuh layung nu matuh? dinananah. dina cénang nu marentis. dina sela-sela kitab gundul. dina bedug nu ngajubleg siga gogog.santri kalong. palangsiang nu racleng di unggal gang. janten marketing. nawis-nawiskeun cisoca.nawis-nawiskeun kaligata nu néréptép sapanjang mangsa. santri kalong. nu nyandak jangjang japati.hiber ka unggal toko jeung kios. ngalugar sorban. wiridan. ngical tuhan ka tukang aseupan.taun 2070. mangsa japati tos palinter. tos tiasa ngadamel rakit dina tipi. sok katingal, aranjeunnaucul-ucul tengah pasar. ngagalakeun iuran sareng arisan. ngadamel dompét kangge umat. ngaresmikeunyayasan nu digunting pita beureum.bleg waé, ayeuna mah santri kalong gé gaduh tarékah. kumaha ngungkulan kahayang na kahirupan.diantawisna, ngasup-ngasupkeun momolo ka kolong ranjang. teras wawartos dina faceebook yén pasan -trén aya nu maling.(tos kitu mah sapertos biasa, nu katempuhanna mui sareng fpi. riweuh sareng paciweuh. mung hanjakalaranjeunna mah sanés japati, sanés santri nu ngalong lebeting diri. Teu nyungkil imaji abdi kanggégaduh niat ngagentos judul di luhur, janten: naon bedana, japati, santri kalong jeung aranjeunna?)

2013

Manglé 2432 43

Page 45: Mitra Sunda - Mangle 2432

44 Manglé 2432

AYA saminggunamotor bodonginpen taris gawé

kuring, ngabagug. Kakaraayeuna rék dipaké deui.Ku hésé hirup motor téh.Mun téa mah aya nupirajeu nan mangitung -keun, teu kurang ti limabelas kali nyelah, kakarasiga rék ngadurudud.

“Rék ka mana Sujang?Tong waka indit-inditan,bisi karugrag!” Ema turuntina golodog. Ceg kana arit

jeung tolombong. rék ngilungala paré jeung Ma Eutikdi sawah bogana HajiOdon sigana mah. Parémeujeuhna diarit basakuring balik gawé méméhngaringkuk téh.

“Karunya ka dunu -ngan, saminggu euweuhnu mantuan ukat-akut,sugan jagjag.” walon ku -ring.

“Keun baé, da Bu Yéyétgé bakal ngarti, ari geringkudu dikumahakeun. Tuh

nya, Si Iyah mah ari ngin-jeum parabot téh teu apik.Nepi ka rarompang kieu,gagangna gojlag, na dipakéngarit naon?” Emangeceb rek, bari kebatmuru ka nu nyalukan nga-jak indit ti peuntas jalan,nepi ka lesna.

Kuring terus leumpangbari jumarigjeug ka lebahburuan nu rada kasorotpanon poé rék ngadonmoyan, baringararasakeun awak nu

asa pasiksak kénéh. Teurék kitu kumaha atuda,gawé ukur jadi kulimundak, jauh tinaharepan jeung cita-citakuring nu saenyana.Pareng ningali anakdunungan, indit kuliah,sok kabita. Sahapijalmaeun na nu bogacita-cita hayang gawékawas kuring, ari lain ka-paksa-paksa teuing mah.Ongkoh bakat ku butuh.Cék nu nyararita gé, hésénéangan gawé jaman ayeu -na mah, kudu boga duitheula. Keur pantar kuring,keur sapopoé dahar jeungongkos sakola adi ogédibantuan kénéh ku Ema.

Keur ngeunah moyanbari ngararasakeun tong-gong nu mimiti karasa ha-neut, ras inget ka Apa nugeus taya dikieuna. Karasapisan kanyaah Apa téh.Enya ogé hirup loba ka-susah, tapi Apa ngabélaannganjuk ngahutang pikeunwaragad sakola nepi kakuring tamat SMA téh.Sing jucung jeung junun,saurna. Cahaya panon poéasa beuki mépéndé hatéanteng ngumbar panineu -ngan. Natrat narémbo -ngan. Asa cikeneh kuringrék milu ujian téh.

Harita Apa keur nga-capi bari ngahariring.Padamelanana, lamun

CarponYuli Sukmara

Page 46: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 45

ngareureuhkeun kacapéméméh kulem soré-soréda pacabakan bakuna mahbuburuh macul atawangakutan kai di pangraga-jian Haji Bahar. Tapi Apadikersakeun tiasa ngacapi,ngahaleuang jeung man-tun, turunan ti Aki, saurnamah. Ngan hanjakalkatiasa na teu bisa dipakénéangan pangupa jiwa.Seni buhun geus langka di-paké dina masamoan. Kitusotéh di lembur kuring,boa di lembur nu séjénmah pada ngamumulé.Sok sanajan jaman ayeunamah nu hajat teh remennanggap organ tunggaljeung dangdut. Pajarkeuntéh resep ningali penyanyi -na, umumna sok dieroksarwa ketat, komo pikeunlalaki careraman mah.

Wanci beuki ngagayuhka peuting, Apa antengngajentréng bari nga-haleuang, socana manipureum beunta,ngararaoskeun napaknasora kana wirahma piri-gan. Si Adé adi kuring hiji-hijina, ngagolér gigireunApa, kérék nyegrék, tayoh -na asa dipépéndémeureun, Saré nangkarak,sukuna ngajégang, teu di -simbut, ukur maké baju nukancingna geus lalésotansawaréh. Panon kuring gégeus ceuleuyeu balas macabuku. Golédag kuring kanaranjang. Panon mélététkénéh can reup. Ceg kanaanggel, nyangigirkeunawak nyanghareup kanahordéng nu geus sararoék,minangka tutup lawangkamar. Kacipta kénéh ayakalangkang Ema ti lebahdapur, nyaketan Apa.

“Pa, abdi aya pisangge-meun,” saur Ema lalau-nan, bangun sieunkadénge´ ku kuring.

“Naon ?” walon Apa,bari angger ngacapi, nganrada dihalonkeun.

“Eu, taeun, Mang Atibtadi ka dieu rék nepanganApa.”

“Nanyakeun deuihutang, Ma ?” saur Apa.Ayeuna mah katenjokalangkang Apa, ngadegbari mangku kacapi, di-tunda luhur bupét. Gékcalik deui, teu tebih tiEma. Kusiwel ngaluarkeunbako jeung kertas pahpirtina saku kamprethideung na, tuluy ngalint-ing ngadamel sesepeun.Ema unggeuk. Apangarénghap bangun nu se-unggah.

“Heueuh dipikir-pikirmah jiga nu bungah hirupteh, unggal peutinghahariri ngan padahalkanyataan mah teureureuh-reureuh diuudagkasusah, nya urang téh ?”saur Apa sorana ngageren-deng, bangun nyariosnyalira. Ema teu kadangunyoara. Apa ngarahuh

“Ari si Ujang kumaha,Ma ?”

“Nya can meunangkartu, mangkaning pagétoujianana téh, tapi da teungomong, teu ménta SiUjang- na mah, ngankarunya waé éraeunmeureun ku batur-baturna, da SMA mahmayar. Béda jeung sakolaSi Dede, di SD mah gratis.Bejana si Aldi babaturan siUjang mah ngajual tipipikeun mayar ujianna téh,da kari manéhna jeung SiUjang nu can malayartéh.”

“Tinggal budak urangmeureun ayeuna mah,Ma!”

“Muhun.” SoantenEma dareuda.

“Na sabaraha bulanbudak téh nunggakbayaran na ?” saur Apa deui.

“Tilu bulan mun teusalah mah, tapi pan duitbangunan gé can kaluna -san kabéh. Hadéna aya

karinganan di sakola SiUjang mah, asal bayaranwaé lunasan cenah. Keunmayar ujian mah. Palinggé ijasahna moal dibikeun,salila can katebus, soksanajan geus tamat ogé !”

Apa ngaheneng, teukadangu soantenna.

“Boga lanceuk geusjadi jelema di kota, gedéhulu. Geus poho wé kadulur mah. Komo barijeung hirup urangmasakat, narah Apa mahménta tulungna ogé. Moalwé nyebutkeun cadu, bisipajarkeun hayang bagian.Urang jual waé kacapititing gal Abah téh, pirakusi Ujang kudu pugagsakolana. Asana Pa Usépkungsi ngocal-ngocalbutuh kacapi keur disakolana? Rék dicobaisukan, sugan enya.”

“Ngajual kacapi?” Emasemu teu percanteneun.

“Ari geus naon deuiatuh? Pan hayam laleutikkénéh moal picukupeun.Sugan waé kacapi mah ayahargaan. Da hésé cenahnéangan kacapi modél kieumah. Akutaneun kai dipangragajian geus béak ka-mari, ladangna pan nu di-paké dahar poé tadi, jeungkeur isukan. Néa ngan pa -culeun lain wayah. Pirakukaruhun ogé teu maphum,da dijual sotéh keurngabélaan turunan ana.Pan keur ngajaga wiwi rangti nu nagih hutang jeungngajujurkeun Si Ujangsakola. Sugan waé cita-citamanéhna laksana.”

Ari kuring harita di jerokamar, da puguh can saréngadéngé pisan sakabéhobrolan Apa jeung Ematéh. Maké kagagas hatétéh. Deudeuh, Apa.Mangkaning kacapi téhkanyaahna, sobatna,paragi murakeun ka-sumpeg. Sagala nungarobéda manahna,

kawasna téh ditumpra -keun dina jentréngna ka-capi. Ari ayeuna rék dijual?Tapi asa jadi panyumangethaté deuih. Sakapeungmah sadirieun ogé sok ra-jeun berontak ka diri sora -ngan. Lebah ngudagkahayang jeung cita-citatéh, bet teu beunangdionggét-onggét, teu sadarkana kaayaan, napelpageuh lir kalangkangsora ngan mangsana panonpoé haneut moyan. Kuringhayang kuliah, nepi ka jadisarjana.

Apa tilar dunya, sabadateu damang aya mingguna.Anjeunna teu kungsi nyak-sian kuring lulus ujian. Ka-capi kadeudeuhnangabagug kénéh luhurbupét. Ku Haji Usépdipulang keun deui. Ka gagassaurna, unggal ningali étakacapi téh. Ari ladang nahenteu ditaros keun. SaurEma, ngajima tan keurmayar sakola kuring.

“Geuning Cécép keurnagog di luar, kabeneranaya,” soanten Uwa. Sorajeung léngkahna nga -buyar keun panineu ngankuring. Teu kanyahoanjolna. Jung kuring nang-tung, ngasongkeun leu -ngeun. Ras ka Apa, cenahUwa geus hilapeun kaanjeun na. Ayeuna ayahareupeun. Ti saprak Apangantun, ayeuna ngadua -kalian nepungan kula -warga kuring. Anjeunnangarangkul bangun ka -gagas, nepakan kana tong-gong.

“Uwa, kumahadamang?” cék kuring.Haté kebek ku kahéran,pasawur jeung kasedihTeu pupuguh, harepanjeung cita-cita kokolébatandeui. ***

Ciparay Awal Juni2013

Panglawungan 13.

Page 47: Mitra Sunda - Mangle 2432

46 Manglé 2432

Bagian

164

Peuting ka-174

Kacatur, raja sohor kajauhna, kakasihna Syah -raman. Eta raja téh beuratbeunghar, karajaananalega, balad tentaranaloba, ogé rahayatna bagja.Cindekna, ninggang kanaparibasa, hirup gustiwaras abdi.

Najan saréatna tayakakurang, horéng manahraja mah teu weléh guli-gah. Ringrang jeunghareudang lantaran dinadirina ngarasa ayakakura ngan. Geura wé,sakitu umur tengahtuwuh sarta ngawangunrumah tanggana geuspulu han taun, tacankasinug rahan putra,malah teu burung-burungacan.

Mimitina, kahariwangkitu téh ukur disidem wé.Ngan, da beuki lila mahbeuki kapikir, mun nepika teu boga anak, kumahanasib karajaanana? Kulantaran kitu, dina hiji

waktu mah, éta raja téhngumpulkeun paragegedén nu biasadikumaha an dina waktu -na boga pasualan nu teubisa direngsékeun kusora ngan.

Rupa-rupa pamanggihnu tumali jeung étaditembrakeun dina étagempungan. Intina,parasesepuh karajaannyarankeun sangkan rajateu putus pangharepan.Cenah, nu penting mahngadudu’a ka Nu Maha -kawasa sarta teu kendat-kendat ihtiar.

Heuleut sababarahaminggu, tarékah raja téhmimiti nembongkeunhasil. Garwana kakandu -ngan. Nya ahirna, sabadangandeg salapan bulan,tumiba kana waktuna,praméswari téhngalahirkeun. Anaknalalaki, kalayaan sehatwal’afiat.

Gubragna ka alamdunya, dibagéakeun kukabagjaan. Lain kula -

warga raja wungkul nubungah téh, tapi parat kasaban tempat. Lahirnaputra raja, nu ngarannaKomarujaman, lir bulannu nyaangan dina poéknapeuting.

Komarujaman padangaping, pada nalinga -keun. Rupa-rupa kabutuhjeung kahayangna tara di-pogogan. Raja gé teunyaah dulang, lantaranlian ti nyumponanpangabutuh lahirna, étacalon raja teuh diatiksagala rupana. Raja géngadatangkeun rupa-rupaguru nu ahli sina ngatikKomarujaman. Cindekna,sangkan éta budak jadijalma nu masagi.

Raja bagja kacida.Lantaran, ku boga budakheug lalaki, keurngalanggengkeun turun -ana téh lain pamohalan.Komo deui, da ninggalketak jeung paripolah étabudak, estu tayacawadeun ana. Mun téamah, nepi ka waktuna jadiraja, tangtuna ogé bakalpada ngabagéakeun.

Ngan, mungguhinghirup, tara salilana aya

dina hiji kaayaan. Rasabagaja nu saméméhnaminuhan haté raja, mimitingoléséd deui. Timbuldeui kahariwangna, sieunanak nyorang jalan anusalah. Mangka apanbudak ngan hiji-hijina, nuupama gagal téh, hartinaogé bakal megatkeunharepanana.

Raja Syahraman mikir.Rupa-rupa pilihanana nutumali jeung rarancang kahareup dibeuweung-diutah keun. Tinasababaraha pilihan, gilighaté raja téh, reksagancang na ngawinkeunbudakna nu harita man-jing umur lima welastaun. Karepna kituditembrak keun ka paramantri nu biasa diajakansakanyeri sakapeurih.Sakur nu diajak badami,nyaluyuan kana karepraja. Lantaran ilahardeuih, putra raja mahlaki-rabina ogé kalayanpangjurung kolotna.

Satutas asakbabadamian, raja tatahar.Perkara pijodoeunana,kari milih. Rék dijodo -keun, atawa sina milih

Page 48: Mitra Sunda - Mangle 2432

47Manglé 2432

sora ngan, pék téh teuing,asal ka nu kupuna.Cindek na, keur raja mah,moal ngahulag kahayangbudak asal luyu jeungrarancangna pikahareu -peun.

Sanggeus sagala rupa -na sadia, raja manggilputra na. Biasa kitu téh, dasaban aya hal anu sipatnapenting, raja sok manggilputrana kalayan disaksianku sababara uranggegedén karajaan. Haritagé kitu, karep rajangutara keun patéka -danana téh hayang kasak-sén ku para mantri.

“Ama téh, bangetmika hayang hidepsagancang na ngawangunrumah tangga,” ceuk raja.

“Hapunten, Ama,”ceuk Komarujaman.

Saterusna, éta putraraja téh cacarita panjanglebar. Nyaritakeun pama -nggih jeung angen-angen -na. Ngan, intina mah,nyebutkeun dirina tacanboga karep ngawangunrumah tangga.

Ngadéngé jawabankitu, Raja Syahramankagét. Paromanna nyiak,beungeutna geuneuk.Kitu na téh, lantaranambek kapegung. Ngan,teu bisa majar kumaha,lantaran kakeuheulna,éléh kénéh ku kanyaahna.

Peuting ka-175

Sabubarna gempu -ngan, raja numpi manéh.Mikir pipetaeun. Néangancara geusan ngalelemuanakna sangkan daéksagancangna ngawangunrumah tangga. Ngan,harita mah, raja téh masihkénéh aya harepan, lan-taran ceuk pikirna, bisajadi nolak sotéh lantaranmémang ngarasa canwaktu na boga kabeung-beurat rumah tangga.

Ningkat umur,Komaru jaman beukinembong keunpangabisana. Dibanding -keun jeung barudak umursapantranana mah, lobapunjulna. Dedeg hadé

rupa sampé, luhung élmujembar pangabisa, katam-bah sugih mukti, lantarankokocoran teureuh jeungterahan, langsung tisungga pan karajaan.

Heuleut sawatara taunti harita, waktu umurKoma rujaman nincakdalapan welas taun, rajanepikeun deui karepna.Ceuk pikirna, meureunhaté anakna téh geusrobah, teu carasamemehna. Lantarandina umur nu beukisawawa, bisa jadi geus ayaceungceuman haténa geu-san ngawangun rumahtangga.

Méméh nepikeunkarepna, raja gé nyarita -keun rarancang kahareup na. Cenah, geusmeujeuhna, dirina lengserkaprabon, mikeun tahtaka anak nu ngan hiji-hiji -na. Tapi, saméméhnyangking kakawasaan,merenah kacida mun rajaanom téh geus bogapamaji kan. Ngadéngécarita an raja kitu, Koma -

rujaman, sajongjonganmah ngahuleng.

“Kumaha ceukpamang gih hidep?” ceukraja.

“Panuhun, Ama teumaksa jisim abdi,” ceukKomarujaman.

Saterusna, éta putraraja téh medar alesanan.Rupa-rupa pamanggihjeung rarancangkahareup na. Ngan, intinamah, tetep ngarasa teuboga karep ngawangunrumah tangga. Sanggeusnyarita kitu, Komaru -jaman amitan.

Raja ngahuleng. Bi -ngung lir nu teu manggihtungtung. Nyaah, keuheul,pacampur. Mun konganghayang nyarekanngabudal keun kateuge-nah haténa. Tapi, karepnakitu téh teu dilaksana -keun, lantaran inggis kubisi rempan ku sugan.Jeung deuih, pangpangnamah kahalangan kukayaah. ***

(Hanca)

Page 49: Mitra Sunda - Mangle 2432

Hayang Nyaho Sajarah

Kudu Nanya Ka Ahlina

Ceuk Naskah Sunda kunoSanghiyang SiksakandangKaresian “Nanyakeun

masalah sajarah, kudu ka ahlinaanu bener-bener bisa dipercaya.

Kieu ceuk Sanghiyang SiksaKandang Karesian téh;(tarjamahan ana);

“ Talaga dicaritakeun ku soangGajah nyaritakeun leuweungLauk nyaritakeun lautKembang dicaritakeun ku

bangbaraNya kitu deui lamun urang

arek ngalengkah”

Poma ulah salah néanganpikeun tumanya, Lamun hayangnyaho ngeunaan taman anu hégartur éndah, tanyakeun ka sakadangsoang, lamun hayang nyaho kasaeusining leuweung, tanyakeun kasakadang gajah, lamun hayangnyaho ka saeusining laut,tanyakeun baé ka sakadang lauk,lamun hayang nyaho kana seungitjeung éndahna kekembangantanyakeun ka sakadang bangbara.

Karuhun Sunda anu arif wijak-sana geus ngisarahkeun supayadina enggoning natanyakeun hal-hal anu teu acan terang téh bener-bener ka ahlina. Kitu deui lamunnatanyakeun masalah sajarah,kudu ka ahli sajarah, sabab kudubener, kudu logis kaharti ku akalséhat jeung bisa ditarima ku saka -béh pihak.

Drs.Saleh Danasasmita taun

1986 geus mampuh nga -identifikasi keun ahli sajarah tiCirebon liwat kajian ilmiah nu di-judulan “ Pangéran WangsakertaSejarawan abad ka XVII. Mang -rupa makalah anu dipadung-dengkeun dina Seminar KabudayaanSunda Proyek Sunda nologi Depdik-bud di Bandung Maret 1986. Ku -lantaran kitu taya salahna lamunayeuna urang ungkab keun pikeunleuwih wanohna ka Sang Pangérananu ahli sajarah ieu. Ari SalehDanasasmita salah saurang inohongSunda anu milu marajian lahirnaMaj alah Mangle di Bogor taun 1957.Hadé urang tembrakeun baé,kumaha nurutkeun Kang Salehngeuna an Pangeran Wangsakertaieu.

Panembahan Cirebon

Tokoh Pangeran Wangsakertamémang ampir teu dikenal dilingkungan masarakat, malahkalangan karaton ogé wanoheun -ana téh ngan ka Wangsakerta anukalungguhanana PanembahanCirebon I, tanpa ajén husus Sejara -wan waktu jadi asistén SultanSepuh.

Di gedong Arsip Nasional ayadokumen mangrupa naskah per-jangjian antara Cirebon jeungKumpeni Walanda tanggal 7 Janu-ari 1681, ditulis dina dua basa.Bagian kénca maké basa MalayuArab, bagian katuhu ku basa Wa-landa aksara Latén.

Di bagian handap naskah beu-

lah kenca ditulis 9 urang nunanda tangan naskah ti pihak Cire-bon, nomer tilu ditulis “ Wangsak-erta” ku aksara cacarakan. Dinanaskah ditulis tandes yén anumangsa harita nyangking kaka -wasaan di Cirebon téh aya tiluan diantarana Pangéran Wangsakerta.

Dumasar kana éta dokumen,bisa mastikeun yén tokoh anu di -sebut Pangéran Wangsakerta salahsaurang pangawasa Cirebon,bener-bener aya. Dr.F.De Haandina buku Priangan B 1912 nyarita -keun Pangéran Wangsakerta tapinyebutna Depati Topati. Dina sum-ber Kumpeni sejena.

Leuwih sohor disebut de DerdePrins van Cheribon (Pangerankatilu ti Cirebon).

Catetan poéan Kumpeni D. 19Nopember 1677 ngamuat laporanchaeff (wakil Kumpeni di Banten)ngamuat yén de Derde Prins vanCheribon anyar kénéh mulih kaCirebon sabada sumping ka kara-ton Banten Tapi dina D 21 Desem-ber taun 1977 Caeff ngalaporkeunyén éta béja teu bener Kusababtuge nah de Haan ngajejeleh Caeff,ceuk de Haan “Na di mana étajelema neundeun matana?” . Nge-unaan hubungan antara PangéranWangsakerta jeung karaton Ban-ten, De Haan ( 1912, 260) nyutatlaporan b Van der Meer jeung YanMulder nyebutkeun yén SultanAnom masih tunggal karabat kara-ton Banten, ari Depati Topati mahsamasakali lain karabatna. Ka -

48 Manglé 2432

Page 50: Mitra Sunda - Mangle 2432

kucrut kitu téh sajalan jeung nu di-ungkabkeun ku Sujana, KasiKabudaya an Kota Cirebon nu ayakaitanana jeung karaton. CeukSuja na karabat karaton sacarabrukbrak nyebutkeun ayana naskawawacan.

Dina éta wawacan disebutkeunyén Pangéran Kertawijaya (SultanAnom) séjén ibu jeung PangéranMertawijaya (Sultan Sepuh), ibunaPangéran Kertawijaya mah ti Ban-ten, ari Mertawijaya jeungWangsakerta mah ti Mataram. Ku-lantaran kitu kalungguhanWangsakerta di Cirebon samar.

Kumaha Nurutkeun Wangsa -kerta?

Geus dicaritakeun yén putraRatu Ayu Sakluh ngajodo jeungMas Rangsang nu ahirna jadi Sul-tan Agung Mataram anu mashurtéa, nya kagungan putra anu jenen-gana Sunan Tegalwangi nyaétaAmangkurat ka I . Sunan Tegal-wangi kagungan putra Amang -kurat ka 2 anu neruskeun ramanajadi Raja Mataram. Putri SunanTegalwangi ngajodo jeungPangéran Putra nyaéta Panemba-

han Girilaya putra Pangéran Sedaing Gayam. Ti putri Mataram,Panembahan Girilaya kagungantilu putra nyaéta PangéranMertawijaya, ditelah PangéranSamsudin nu jadi SultanKasepuhan Ka I. Raina nyaétaPangéran Kertawijaya atawaBadrudin jadi Sultan Kanoman kaI, ari Pangéran Wangsakerta jadiPanembahan Cirebon anu ka I.

Kusabab Ratu Ayu Sakluh téhrakana Panembahan Ratu, atuhraja Cirebon jeung Mataram téhnasih karabat. Tapi Raja MataramSunan Tegalwangi salawasna bogaangen-angen hayang ngarebutCirebon. Sajeroning kitu RajaCirebon ogé karabat karaton Ban-ten, padahal Banten jeungMataram téh musuh gerot.

Awal ngadegna Kasepuhan jeungKanoman taun 1599 Saka (1677Masehi). Heuleut opat taun ti haritaCirebon meungkeut tali mimitranjeung kumpeni dipaheutkeun dinasurat Perjangjian nu ditandatanganku Sultan Kasepu han I PangéranSamsudin Mertawijaya, SultanKanoman I, Pangéran BadrudinKertawijaya , milu tandatangan ogé

para pajabat luhur negeri Cirebon nudisebut Jaksa Pepitu nyaéta Panem-bahan Ageng Gusti Cirebon PangéranWangsakerta jeung para Jaksa PepituRaksanagara, Purba nagara, Angga -diraksa, Anggadiparna, Anggaraksajeung Nayapati ,Sang PanembahanPangéran Wangsakerta ketua paraJaksa Pepitu.

Ti pihak Kumpeni anu nanda -tangan téh Yakub Bule, (Yacubvan Dijck) jeung Kapten Misel(Yochem Michielsz), acarana dikaraton Kasepuhan Cirebon.Sabada Panembahan Ratu wapat,terus diganti ku putuna nyaétaPangéran Putra astawa RadenResmi nu saterusna disebutPangéran Panembahan AdiningKusuma gelarna Panembahan RatuII putra Pangéran Seda ing Gayamanu wapat dina waktu rama na ayakénéh di kieuna. Panembahan Sedaing Kusumah jadi pangawasa Ci -rebon 12 taun Sabada wapat nya di-gentos ku putra na nyaéta Radénputra gelarna Pangéran Panemba-han Girilaya.

**Yoseph Iskandar ” NagaraGheng Islam Pakungwati Cirebon“ HRS**

Karaton Cirebon

Manglé 2432 49

Page 51: Mitra Sunda - Mangle 2432

50 Manglé 2432

PANAS poé manimorérét, angin halodonyelesep, sésélékét

kana sakujur awak Rasti.Karasana matak lalinu satu-lang sandi. Keur mahmanéhna teu ngareunah,kawas anu rék salésma. Ditepas ngan aya manéhnasora ngan, jongjon nyang-hareupan mesin jahit. Keurnganggeuskeun baju Nia,anakna nu ayeuna keur kuli -ah di Jogja.

Taya sora nu kadéngé,iwal gurudugna mesin jahitmeupeus kasimpé. Teu carasababaraha taun ka tukang,basa sararéa ngariung kénéh.Aya Nia, aya si Ayah, sebutansapopoé bapana Nia. Sokheureuy silih poyok, silihpuji. Da bapa jeung anak téhsakaresep kana musik jeungngalukis. Rasti ngabandu -ngan sok bari nganggeus -keun hanca kaputeun kawasayeuna. Pangaresep Rastingaput téh. Pangaresep nubisa nambahan pangasilankeur meuli kabutuh sapopoé.

Rét kana jam dina tém-bok, geus jam satu, rasmanéhna inget can solatlohor. Buru-buru cengkattuluy ka cai rék wudu. Basasup ka kamar mandi, karasaawakna beuki nirisan, malahtepi ka ngahodhod. Rastineruskeun wudu. Kawasnageus lohor mah tulus rékkaluar téh, gerentes haténa.Aya jangji nu can katedunansaprak manéhna hirupnyora ngan. Hayang solatAsar di Masjid Agung. Canludeung ka masjid téh, kuloba panineungan.

Kapan di masjid étatepung munggaran jeungsalaki téh. Kapan di masjid,sok babarengan munajat kaAnjeunna. Naha saprakditinggal keun, jadi sieun teukuat ka masjid téh. Tapimaenya rék kalalanjoanngingu kawaas jeung kame-lang.

“Pamali, kawas anu teutumarima kana kadar,” saurEma, bulan tukang.

Euweuh sora nu nga-

ganggu, jongjon. Rasti hususalat lohor. Bérés salatmanéhna nilepan mukena,sup kana kantongna, tuluydi kana tas keun. Rékdibekel. Sup qur’an hususparanti manéhna, diasup-keun tartib, tuluy saruadikana taskeun. Sakalianhayang nuluykeun diajartahsin. Niat nu katundasaprak si Ayah dipaparincocobi ku Alloh, ngaranda-pan kanker nasopharink. Kudokter kapanggih, sanggeusmetastase, nyebar kama-mana.

Méh lima taun, Rastitawekal ngurus nu gering.Padahal nu jadi gunungpananggeuhan téh, ngansalakina. Ti harita Rasti jadigagantina, nyangahareupansagala rupa urusan. Alham-dulillah, Allah SWTsatemen na maparin ujiansareng rohmatNa, sarengkadeudeuhNa. Salaki nudikaulaan éstu sabar, tarangarasula. Rumasa Rastisakapeung sok ngarasa capé.

Ihtiar jeung tarékah geus di-lakonan, tapi kodar ti Allahmo bisa disinglar. Dina te -ngah taun kagenep, Allahgeus nangtukeun salakinakudu mulang ka kalangge -ngan.

Basa Rasti ka MasjidAgung nu panungtung, sa-taun ka tukang ogé, éstu barinedunan paméntana.Salaki na, panasaran hayangngajaran diubar ku jajamu.Panasaran, pédah pabéja-béja, aya ubar tina tutuwu -han nu sok remenditawarkeun di buruanMasjid, mangpaatna bisangubaran kanker. Paménta -na ditedunan, bari anggerngalaksanakeun saran dok-ter radioterapi jeung kemo.

Nyanghareupan kaayaankitu, Rasti ngan bisa tumam -pi bari ikhtiar. Rasti ngarasayakin, ujian ti Allah SWT,moal ngaleuwihankamampuh na. Harita mahasa gedé haté. Sugan Ayahbisa séhat deui sabihari.Sanajan ti taun ka taun

CarponTety S Nataprawira

Page 52: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 51

kaayaanana robah, awaknangorotan, gancang pisan.Ayah nu sakitu gagahna dinakeur séhat, geus kaserangkanker mah robah jadi sigarorongkong. Dina kaayaankitu, Rasti beuki nyaah jeungdeudeuh.

Wanci layung langithibar bulan puasa lima taunkatukang, panungtungan siAyah ngajak salat Asar sartatuluy buka di Masjid Agung.Bari napak tilas, cenah.Kawas nu keur nyatetkeunpanineungan pikeun nupanung tungan. Kiwari, Rastibener-bener nyorangan.Geus sababaraha poé ieu Niakatingali waé ku panon batinRasti. Kumolébat. Perbawakeur rus ras kanu geus teuaya. Rasti hayang nyaluuh kaGusti, rék masrahkeun haténa Pangkonan Mantenna.

Bulan ieu mendaktaunna Si Jenat. CipanonRasti can tuhur waé. Haritage gé sabulan méméh bulanpuasa. Muga si Ayah geusjongjon aya dina kakasihMantenna, gerentes Rasti.

Baheula basa Nia umurlima tepi ka sapuluh taunan,ka Masjid téh sok boncéngantiluan kana Vespa. Pang-pangna mun rék balanjakeur Lebaran. LantaranPuseur Balanja téh deukeutmasjid, Rasti jeung salakinasok sakalian parkir motor diburuan masjid. Antukna soktara buru- buru balanja,kabéngbat ku buku- buku nuditawarkeun di émpérmasjid. Kitu deui Nia pipilu -eun resep macaan buku nungahaja dipilih keurmanéhna. Buku dongéng,ngeunaan agama. Rastimangmacakeun bariningalian gambarna. Si Ayahsarua anteng muru bukubuku karesepna, bab Agama.

Panas nu morérét, asacan pati robah. Poé ieu Rastihayang ngajugjug kadinya,ka Masjid Agung. Asa dinapanon Nia nu paciweuh mili-han buku. Kadéngé kénéhsora bapana déhém, isarahngarasa kayungyun ku polahbudak. Ah, ku hayang geura

gok Rasti tepung jeungMasjid Agung. Hayangmulang keun panineungan,hayang napak tilas, hayangmurakeun kasono.

Dina beus kota, Rastidiuk deukeut jandéla. Nga-haja teu kana beus kota AC,hayang malikan panineu -ngan baheula. Sajajalan réknostalgia. Rasti ngawaskeunka luar, tina jandéla beuskota, mapay panineungan nukungsi maneuh, ti unggaltempat nu kaliwatan. Aya ru-maja sapasang keurleumpang patungtun- tung-tun, bari suka seuri. Ah,Rasti jadi ingeteun kamangsa baheua, keurmanéhna rmaja.

Baheula, poé Minggu sokngahaja ngaluuhan majlista’lim di Masjid Agung jeungKang Imat, lanceuk Rasti nuharita keur kuliah di Ban-dung. Rasti di SMA. Ku lan-taran di majlis mah Rastidiukna papisah, manéhnateu dihaja sok bareng jeunghiji Ibu nu méh unggalminggu papanggih di dinya,matuh calikna. Rasti kataji,Ibu Sukma nu bageur jeungramah téh sok tetelepék waéka Rasti. Sok naros jeungsaha. Ku Rasti diwalon,sareng pun lanceuk.

“ Carogé ? “ si Ibu nanyabari nelek nelek Rasti. Bariimut Rasti némbalan

“ Sanés, sareng punlanceuk nu pangageungna.Kaleresan di dieu nuju ku-liah, da pun biang di lembursok omat-omatan supadosabdi pami ka pangaosansareng Kang Imat.“

“ Euh, “ Cek Ibu bangunsugema.

“ Saé atuh, kayungyun.Ibu gé duaan sareng punanak, lalaki. Janten caliknamisah,” pokna nuluykeunkalimahna bari imut.

Samémeh papisah, ditempat parkir si Ibungageroan Rasti jeunglanceukna. Ngawawuhkeunanakna, jajaka pantarlanceuk Rasti.

” Dimas,“ cék si jajaka.Sakolébat neuteup Rasti.

Tuluy sasalaman jeunglanceukna. Ti harita Dimasjadi raket jeung Imat. Si Ibutambah deukeut ka Rasti.Cinta munggaran nu bala -buh dina rumahtanggapinuh kabagja. Silaturahmitéh bet jadi jalan taaruf kula -warga Rasti jeung Dimas.

Dimas jadi salaki Rastinu dipiheman, dipideudeuhsalilatilupuluh taun. Dimas,Si Ayah nu kiwari karipanineu nganana. Kitu deuiIbu, kari waasna. Nia, buahhaté, lir ibarat kembangkaasih nu minuhan dunyana.Teu kacipta, yén bakal ngala-man ditinggalkeun dinamangsa nu can sampurna.Kolébat Nia némbongandeui, imut.

“ Mamah kedah tabah, SiAyah pasti masih nyarenganti alam Kalanggengan, “ Niasok ngupahan dina sms.

Katineung na haté Rastilir katumbiri, ririakan, warnawarni. Jalan nu kaliwatanpinuh ku pagaliwotanatutumpa kan, balawiri. Jalanliliwatan ti wétan ka kulon -keun, macét. Beus kotangeyeted. Rasti ngaronghéapkesel. Hayang ngapung,hayang geura tepi ka MasjidAgung. Sieun layung kaburutémbong di beulah kulon.Hartina Asar kaliwat. Ayahpanggasikna lamun nga -geuing solat Asar, waktunangan sakolépat, cenah.

Enya, waktu téh ngansakolépat. Tilupuluh taunteu karasa geus kaliwat. Ki-wari Rasti leungiteun. Leu -ngit sakabéh rasa lir katebakangin. Ti kajauhan geuskatingali dua Munara Masjidlir nu rék ngajul langit.Sabudeureun munara caangbéngras, can aya layung nungalangkangan.

Lebah Alun-alun beuskota eureun, jrut Rastiturun, gura-giru muru bu-ruan-Masjid beulah kidul nusok ramé ku nu daragang.Muru tempat wudu parantimuslimah, ngaliwatan nu da-gang jajamu. Rasti ngalieusembung ningali ka lebahdinya.

Sataun katukang,panung tungan ngahajaneangan kadinya téh.Sanggeus manggih jajamunu dipesen ku salakina,harita Rasti tuluy solat Asar.Ngan waktu karak béréspisan awéh salam, hapénakarasaeun ku Rasti ngageter.Si Ayah nelepon.

“Énggal geura mulih,Ayah tos capé, “ soranahalon pisan, semu nungageuri. Saharita Rasti guragiru muru ka imah. Kasam-pak si Ayah keur nyanda narisbangna, can robah timimi ti ditinggalkeun kumanéhna basa tadi. BasaRasti datang, salakina ba -ngun bungaheun pisan.Pamulu na marahmay.Pesenan ana teu ieuh di-tanyakeun deui, kalah poknanya.

“ Tadi netepan Asar diMasjid Agung ? “ poknasumanget. Rasti unggeuk.Haténa ngarakacak. Nénjowaruga salakina nu leuseuh,pameunteuna geuneuk tapakRadiotérapi. tapi sumanget -na masih kénéh karasa.

Sora adzan Asar ti mu-nara kadéngé aweuhan,ngéléhkeun sora-sorakendaraan nu lalar liwatsabudeureun masjid kota.Ngagareuwahkeun lamunanRasti. Manéhna, tuluy néa -ngan tempat nu genah, diantara ma’mum séjénna dirohangan akhwat. Bar ngam-par sajadah. Tuluy sujud.

“ Gustii, abdi nampipamun dut Gusti sanaos abditeuacan kiat. Abdi ridobeubeulahan haté abdidipundut ti payun da Saliranu kagungan. Kiatkeun abdi,Gusti. Nyanggakeun, hirupabdi, maot abdi, sarengibadah abdi mung kanggéGusti. Abdi moal ngaraossora ngan salami aya dinapanangtayungan Salira, “gerentesna.

Di sabudeureun munara,layung hibar nyaangan langitpasosoré. ***

Bandung , 12 Juni ‘13Panglawungan Tilu -

welas.

Page 53: Mitra Sunda - Mangle 2432

Bapa UcingSarmid: “Aing heran ka bapaucing euy!”Jumadi: “Heueuh, heran kunaon kitu?”Jumadi: “Eta sanggeus ucingaing nu indungna di -reuneuhan mah, ih plengtura leng teu embol-embol,boroning nganapkahan nuanakna satilu-tilu.”Jumadi: “Tongboroningucing, manusa ge loba nu kituayeuna mah.”Sarmidi: “Kutan?”

Ayah KawunglarangRancah 46387

Barudak KiwariJasmin: “Let’s go!”Jasman: “Go, alone!”Bapana: “Da heueuh atuh,barudak kiwari mah geus em-bung we ngagunakeun basaSunda teh.”

Ayah KawunglarangRancah 46387

Ngaran jeung PagaweanRek percaya rek henteu,lamun urang mere ngaran kabudak, kudu sing rada pantes.Sabab, sok aya kaitan jeung

kahirupan manehna ka-hareup. Contona, anak kuringayeuna. Geura urang tataansaurang-saurang. Budak ku -ring nu cikal dingarananBangbang, geus gede di-gawena di Bank Mandiri. Anukadua, dingaranan Suratman,geus gede digawena di kantorpos, tukang ngecapan surat.Budak nu katilu atawa nubungsu, dingaranan Rosman,geus gede pagaweanana jaditukang kembang.

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

CIhampelasKota Bandung

Haaarrr…Adi : “Halo.”Nu nelepon : “Halo…, ari ieusareng saha?”Adi : “Teu sareng sasaha, abdimah nyalira da.”Nu nelepon : “Maksad téh,nami wargi saha?”Adi : “Ooh… nami wargi abdimah; Jaka.”Nu nelepon : “Maksudna téh,nami bapa saha?”Adul: “Oohhh… nu leres atuh!Ari bapa abdi mah nuju disawah, namina téh bapa

Udin.”Nu nelepon: “Alah na jadilieur ieu téh! Terus abdi ayeu -na bade nitip saur ka sahatuh?”Adi : “Ooh enya, wartoskeunka ma Icih, enggal jaitpopoéan kituh bade hujan.Tos akh…”Nu nelepon : Haaarrr..!!!! najajadi kieu?!”

Tuti AlawiahJl. Hegarmanah no. 134

Kadungora-Garut

Gebruugg!!!Encép : “Aki naon nu bieungagurubrag di jero kamar?”Aki : “Ooh… éta mah sampingsarung nu aki tadi murag.”Encép : “Aah…, piraku sam -ping sarung murag sorananepi ka ngagebrug kitu?”Aki : “Heueuh… da sam ping -na eusina aki!”Encép : “Leuhh… kadé atuh!”

Tuti AlawiahJl. Hegarmanah no. 134

Kadungora-Garut

Nasib Pagawe Kantor PosDi Ujung Padang, aya pagaweanyar kantor pos dipecat gara-gara sumanget teuing ngecapperangko. Cenah, geus ayasaupuh gagang stempel po-tong jeung logam capna rusak,sabab unggal nempo surat

anu make perangko gambarjelema di bendo jeung di peci,jebrod, jebrod ku manehnalangsung dihajar ku stempelsakuat tanaga sababaraha kalibari kutuk gendeng,“Rasakeun siah, goblog!”

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

CIhampelasKota Bandung

TerindahIcih : “Kang, naon kenanganterindah urang duaan yangtak terlupakan téh?”Ojo : ”Aya hiji nu teu bisadipopohokeun téh, Nyi.”Icih : “Naon tah, kang?Ojo : “Harita téa geuning, basanyai gelut jeung néng Rinamarebutkeun akang téa, tuluynyai tikusruk ka solokan… lahpokona mah moal poho étaakang heuheuu...”Icih : “Iiiihh... kasebelan pisannya, salaki téh!!!”

Dicky AwaludinPanyileukan Blok V No. 24

Bandung

Suku AnjingNeng : “Jang, Ku naon munanjiing keur ngompol sukunangangkat hiji?”Ujang : “Nya kabiasaananakitu..”Neng : “Laiin atuh…”

Page 54: Mitra Sunda - Mangle 2432

Ujang : “Ku naon atuh?”Neng : “Da, mun sukuna di-angkat kabéhanana mahngagubrag atuh..”

Ita PurnamaJl. Cibabat No. 14 Cimahi

Monyét+ Anjeun kumawani ngalamaranak kula, saha anjeun?- Kuring anak raja!+ Waaahhh…. Raja mana?- Raja Utan, alias monyét!

Ita PurnamaJl. Cibabat No. 14 Cimahi

Wani-waniDodo : “Kumawani ulin kadieu siah! Saha manéh?”Ibro : “Tah éta masalahna téh,abdi nyalira teu apal saha ariabdi!”Dodo : Euuuhhh!!”

Husien IrawanAntapani No. 90

GratisanNana : “Ayeuna mah sagala gékudu ku duit. Euweuh nugratis..”Rudi : “Aya aahhh...”Nana : “Naon?”Rudi : “Yeuh...” (mikeunleungeun na anu meureupkana irung Nana)Nana : “Ka ditu ah... ari geusmeguk téh!!!”

Nani AfrilianyJl. Merkurius No. 12

Margahayu

NgarayuAa : “Pami Aa jantencucunguk na, Enéng badé Jan-ten naonna?” Néng : “Abdi mah bade jantenkapur ajaibna wéh!”Aa : “Euuhh… paéh atuh Aa.”Néng : “Wios wé…”

Nani AfrilianyJl. Merkurius No. 12

Margahayu

Hudang SaréBapa (Ambek) : “Ibuuu! Manasi Sujang? Ibu : “Geus ka sakola ti tadi gé,aya naon kang?”

Bapa : “Kurang ajar tah budaktéh, Ieu awak akang racadigambaran ku pulpén.”

Herman SyuryamanCihampelas No. 91

Ka MolUdin: "Meuli baju di mol mahjaba marahal, barolongdeuih!"Aslan: "Har, naha? Piraku di-gegelan beurit mah?"Udin: "Lain, da cenah munteu barolong dek kumahamakena?"

Herman SyuryamanCihampelas No. 91

Ti HeulaDanu: “Bener nya kaduhungmah tara ti heula?”Dana: “Ah ceuk saha? Geu -ning Mang Atam mahkaduhung téh sok ti heulawaé?”Danu: “Kumaha kitu?”Dana: “Éta geuning ari keurnungtun domba jalu nu galak,remen diteunggar ti tukang.”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

Boro-BoroPatugas: “Punten ari yuswatéh sabaraha taun?”Nini: “Asana mah béda 7 tau-nan jeung Si Aki.”Patugas: “Ari yuswa Akisabaraha?”Nini: “Boro-boro ayeuna SiAki geus taya dikieuna, dalahkeur jumeneng kénéh ge Ninimah teu apal umur Si Aki.”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

Aya nu AtohEmangna: “Sedih. ripuh.”Alona: “Naon, Mang?”Emangna: “Enya gara-garaBBM naék, sagala jadi naraék.Minyak tanah, gas, sayureun.Jalma kabéh tinghariul eu-weuh nu gumbira.”Alona: “Ah ceuk saha Mangeuweuh nu atoh. Geuning BiAcih mah BBM naék téh kalahatoheun.”Emangna: “Wah maenya teu-

ing. Ku naon cenah sababna?”Alona: “Pan cenah suluhnajadi payu. Keur bahan bakar.”

UsépGéologi Bandung

Ngarah AdilDudud: “Ari kamari ilaingnyo lok nu mana basa pemili-han walikota téh?”Didid: “Ih rasiah atuh. Moaldibéja-béja. Ari ilaing?”Dudud: “Ah da nu rék dipilihtéh uing mah euweuh anuwawuh. Jadi nyokot jalan te -ngah wé.”Didid: “Maksudna?”Dudud: “Nya ngarah adil, di-colok kabéh wé.”Didid: “Har?”

UsépGéologi Bandung

HartikeuneunAdang: “Cenah ilaing ayeunamah geus teu bobogohan deuijeung Neng Heni. Ku naon?”Adung: “Atuda minculak.Unggal diajak dahar, sok nga-jak waé ka Padang. Padang téajauh kudu kana kapal udara.”

UsépGéologi Bandung

Ulah WawuhBapa : “Awas nya Jang, lamunteu naek ulah wawuh jeungBapa…!!!Bapana ngancam si Ujang nukedul sakolana.Beres samen, dibagi rapot, siUjang ditanya ku Bapana.Bapa : “ Kumaha Ujang, naekteu?”Ujang : “Punten, saha Bapateh nya….???”

Yayat DaulatJl. Gajah Mada, Gg. Cerme

RT 01/02 No. 14Kraton - Tegal

Nyaah ka DulurSalaki pamajikan keurparasea.Pamajikan : “Akang mah teunyaah ka kulawargi abdi…!!!”Salaki : “Ceuk saha, Nyi….Malah mah Akang leuwihnyaah ka mitoha Nyai tibatan

ka mitoha Akang…”

Yayat DaulatJl. Gajah Mada, Gg. Cerme

RT 01/02 No. 14Kraton - Tegal

Olok KéjoKabayan: "Ambu mah ariPersib meunang maén gedétéh siga nu teu rido?"Ambu: "Olok kéjo, Kabayan."Kabayan: "Olok kumaha?"Ambu: "Lamun Persib meu-nang 3 - 0, Si Abah ngeduksangu tilu piring!"Kabayan: "Lamun Persib teunyitak gul?"Ambu: "Kéjo awét da Si Abahteu nobas."Kabayan: "Kacida!"

Féndy Sy. Citrawarga. Bandung

Hanjakal"Ti Banjaran rék ka Bandung,hanjakal bet kabanjiran.Panasaran hayang nyandung,hanjakal teu diidinan," ceukMang Adut."Ti Banjaran ka Cililin, han-jakal bet kahujanan.Panasaran hayang kawin,hanjakal bet euweuh layan,"ceuk Si Ogin.

Féndy Sy. Citrawarga. Bandung

Macakal- "Nyaan palay ka anak Bapa?"+ "Nyaan Pa, nyaan!"- "Tandana?"+ "Saya bakal nyaah ka anakBapa. Bakal maraban atawanganapkahan yang badag danbanyak. Sagala kapalay anakBapa bakal saya laksanakan!"- "Batal ah, saya kagak bakalngarapalan."+ "Naha Pa, naha?"- "Kasawang, Anda mahhanya sayang sama anak saya,ka sayah dan mamahnya mahkagak ada kata-kata sayang.Padahal Anda paham, kagakbakal ada anak saya tanpasaya dan mamahnya macakalkakalacatan malam-malam!"

Féndy Sy. Citrawarga. Bandung

Manglé 2432 53

Page 55: Mitra Sunda - Mangle 2432

54 Manglé 2432

Reformasi geus lumangsung15 taun, jadi ngurung waktuampir satengahna tina

mangsa ngawasana Orde Baru.Tapi, naon hasilna? Wah, saukurrupa-rupa lembaga wae balatak,saperti DPR. DPD, jeung rupa-rupakomisi nu teu jelas epektipitasnasaperti Ombudsman, Kompolnasjeung nu sejenna. Atuh pamekarandaerah ngagalaksak, tapi nurutkeunpangajen pusat, 80% gagal! Komodeui korupsi mah mahabu di mana-mana. Parpul ngagigidig tapi nga-hasilkeun buah nu pait wungkul.Infrastruktur saperti jalan, pala -buan nu jaman Orde Baru sakitu di-pajuna, anehna bet henteudituluykeun.

Akibat tina naon ieu teh?Jelas, akibat juragan kaom elitenu nguntup bisa ngalarapkeundemokrasi nu satuluyna dilaksana -keun bari teu eling, alias degdeg -ler. Coba geura Pilkada nu makecara milih langsung bari jeungsakaligus dilaksanakeun di saku-liah nagara. Kunaon teu dilarap-keun kalayan “bertahap”? Mataknaon, kombinasikeun wae atuhcara milih langsung jeung caramilih ku DPRD. Sababarahadaerah ngalaksana keun Pilkadamake cara milih langsung,sababaraha daerah sejenna makecara dipilih ku DPRD. Memang,nuturkeun jalan pikiran RamlanSurbakti mah(Kompas, Senin, 24Juni, 2013) Pilkada kudu makecara milih langsung, tapi naha ieuteh mutlak? Naha teu bisa dikom-binasikeun jeung cara milih lewatDPRD? Buktina, Ramlan Surbaktioge geuning henteu nga naha-nahacara milih gubernur di Yogya nucalonna turun-tumurun ti kula -warga juragan Sultan, alias henteudipilih ku rahayat?

Goreng Gawe.Saha atuh mangkelukna nepi ka

reformasi teu beda jeung pare nuhapa? Saeutik pisan hasilna? Nyajelas pamarentah nu nyekel

kakawasaan jeung DPR nu nalinga -keunana. Duanana oge gorenggawe. Nu matak harianeun, etageura rea kasalahan nu henteu di-jadikeun palajaran, tapi kalahkakarandapan deui-karandapan deui.Contona, kahuruan leuweung diRiau. Pan eta teh lain kajadiankarek ayeuna, tapi geus kajadian tibareto mula. Ieu jelas akibat kabinetkurang tangginas. Da munpanalinga an pamarentah pusatjalan mah nya moal kitu atuh. Numatak teu heran mun WALHIahirna nepikeun somasi ka pa-marentah SBY ayeuna. Atuda atu-ran mah geus nyampak, saperti UULingkungah Hidup jeung sajabana,tapi kulantaran henteu dilarapkeunnya akibatna matak ngabarerangsarerea. Ribut apan warga nagaratatangga Singapura jeung Malaysianu katiban haseup akibat leuweungdi Riau kahuruan.

Coba mun goreng gawe pama -rentah jeung DPR didaptar ku sa -

rerea, jelas bakal sakitu reana. Ieuteh nembongkeun bukti “kurangcakap” na elite pamingpin di puseurnagara urang ayeuna. Ahirna mah,dalah dikumaha kudu diaku, ngansakitu geuning kamampuhna Presi -den, para menteri jeung para wakilrahayat teh. Pangpangna mah Pres-iden SBY tembong kurangkamampuh na. Lebah dieu, jauhpisan kateter ku Soeharto nu taun1997-1998 sakitu pada ngekeakna.

Lila CageurnaMun seug engke taun 2014 nu

kapilih para wakil rahayat jeungPresiden kawas ayeuna, wah, bakalpililaeun cageurna atuh nagaraurang teh. Memang ti ayeuna geussaheng Djoko Wi dijagokeun jadicapres taun 2014. Sugeng SaryadiSyndicate, upamana, poharahagetna ngarojong Djoko Wi jadicapres taun 2014. Tapi, cik atuhulah gehgeran teuing. Coba talinga -keun heula kumaha hasilna DjokoWi ngawangun Jakarta. Can puguhhade apan. Matak naon sina rengseheula garapanana. Pan ari kitu mahpuguh katembong kamampuhna.

Mending paluruh heula sistempamarentahan jeung hasil gawepamingpin ayeuna. Jelas, SBYhengker, jadi Presiden ka hareupulah kawas SBY, tapi cacad-cacadsistem pamarentahanana oge saruaulah dipake deui ku pamarentahanengke. Kukituna, sababaraha UU nucacad bawaan kudu direvisi supayahenteu jadi pipanyakiteun kahareup na. Pohara pentingna palatu -ran nu bisa “maksa” parpul supayabisa robah. Da ari wakil rahayatangger gadagna kawas ayeuna mah,nya bakal jadi rurubed wungkulatuh kana kahontalna pamarenta-han nu eucreug teh.

Karno Kartadibrata.

Saeutik Pisan Hasilna

Page 56: Mitra Sunda - Mangle 2432

Manglé 2432 55

KA GIGIR:1. Jalir, nyalahan4. Boga bakat tawekal7. Kuno8. Alat penting dina kandaraan9. Pasemon11. Ngomong14. Senang haté17. Wadah barang ‘cair’19. Nagara di Asia22. Létah24. Panjara25. Lawon bungkus mayit26. Patokan nu geus pasti27. Pasesedek

KA HANDAP:1. Dano2. Kabiasaan3. Kuburan4. Balaka5. Paranti diuk6. Hayam nu jawérna rubak10. ‘Anak Baru Gedé’12. Limaratus lambar13. Taman Pendidikan Al Qur’an15. Akang (Minang)16. Idin nyieun wangunan17. Tempat diajar mahasiswa18. Wangun obat19. Paragi ngedeng

20. Tukang nalukkeun sato galak21. Olahraga & kaséhatan22. Anakna anak urang23. Duawelas bulan

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1399. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosnamedal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1397:

1. AepJl. Sukahaji dlm no.3Bandung

2. Deni SupardanJl. AH. Nasution Gg. KujangBandung

3. Desi EkayuliantiKubang Kuul - RancahCiamis

1399K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mitra Sunda - Mangle 2432

“Ngagurilap seuseukeut balati.”“Gusti.”“Ngahiap-hiap pati.”“Pinasti.”“Dua congo balati.”“Ngusapan.”“Maréndé kétang, Lo. Mépéndé

nu nganti-nganti Yamadipati.”“Bet kalah nyajak urang téh,

Mang?”“Enya. Pan ayeuna téh édisi

sajak, Lo.”“Aéh enya.”“Sugan wé urang gé jadi panyair,

Lo.”“Panyair ngalintrik, Mang?”“Héhéhé….”“Naon atuh nu ngagurilap badis

seuseukeut balati téh, Mang?”“Bé-éL-éS-éM, Lo.”“Geuning?”“Badis balati nu congona dua,

Lo.”“Maksudna?”“Congo nu hiji diancokeun

pikeun ngabeberah warga anu

jumerit ku naékna hahargaanbalukar naékna harga BBM sub-sidi.”

“Ari congo nu kadua?”“Congo nu kadua jadi alat puli-

tik, boh ku pihak nu keur manggungboh ku lawanna.”

“Duanana mawa pati nyah,Mang?”

“Bener, Lo. Sok sanajan dibéréduit nu dibungkus ku BLSM, anggerbaé teu pati gedé tulungna lamundibandingkeun jeung balukar tinanaékna hahargaan mah.”

“Lian ti kitu, batuan kawas kitutéh ceuk pamanggih sababarahapihak mah, cenah teu ngadidik. Bisamareuman étos gawé masarakatmiskin, da ditumanan dihuapan téa.Antukna ceuk Roma Irama téa mah,yang miskin makin miskin.”

“Nya kitu téa geuning, Lo.”“Padahal, cenah, alusna mah

bantuan téh mangrupa programpadat karya. Program sarupa kituéstu ngadidik, sangkan masarakat

dibiasakeun usaha pikeunngaronjat keun kahirupanana.”

“Nyaéta, susah nu kitu téh.”“Susah kumaha, Mang?”“Susah ngalaksanakeunana, sok

sanajan bisa ogé.”“Har?”“Lantaran kapan ari pangagung

di urang mah geus tuman ngajalan -keun hal-hal anu pangbabarina turinstan.”

“Ambuing.”“Modél dina pasualan APBN.”“Kumaha, Mang?”“Pikeun ningkatkeun anggaran

nagara téh kapan, ceuk para ahlidina télévisi Mamang gé, réa kénéhjalan salian ti naékkeun BBM sub-sidi. Tapi ku lantaran éta jalan nupangbabarina, hih da ditaékkeundeui ditaékkeun deui BBM téh.”

“Padahal uing mah satuju kénéhkana program padat karya, Mang.”

“Hih Alo mah ku teu ngarti baé.”“Teu ngarti kumaha?”“Lamun dibikeun duitna mah

kapan gedé mangpaatna pikeunpencitraan. Pan di urang gé jalmanu méré duit mah sok dianggapleuwih bageur tibatan nu mérégawé.”

“Aéh enya nya, Mang. Kapanbalati dua congona téa,”

“Ja heueuh.”“Ari masarakat kawas urang

kumaha posisina, Mang?”“Biasa, wé.“Biasa kumaha?”“Nya biasa wé wayang mah

kumaha nu ngawayangkeun.”***

Seuseukeut Balati

56 Manglé 2432

Page 58: Mitra Sunda - Mangle 2432