Revitalisasi Ajen Inajen Budaya Sunda Keur Nyiptakeun...

4
Vlaraman),,---:,><, ) ~Oi); o Senin 123 17 18 19 OJan OPeb IIlIlOlifl gllte o Selasa 0 Rabu 456 7 20 21 22 o Mar OApr OMel o Kamis 0 Jumat 8 9 10 11 23 24 25 26 OJun OJuJ 0 Ags cx;~~":,'" ~ ( ~ o Sabtu 12 13 27 28 OSep OOkt o Minggu 14 15 16 29 30 31 ONov ODes Revitalisasi Ajen Inajen Budaya Sunda . Keur Nyiptakeun Local G~od Governance Di Jawa Barat Ku Dede Mariana & Caroline Paskarina. *) I N imu Deui (Reinventing) Ajen Inajen Sunda. Disawang tina kwantitasna, etnis Sunda mangrupa etiiis kadua panggedena sabada etnis Jawa. Sanajan kitu, henteu rea catetan atawa tulisan nu dijieun ngeunaan etnis Sunda, nepi ka gambaran ngeunaan manusa Sunda sarta kahirupanana tacan rea kaungkab kalayan jero. Sababaraha tulisan nu ngabahas ngeunaan dinamlka kahirupan sosial budaya manusa Sunda umumna miang tina mang- sa sabaJ15da asupna Islam ka tatar Sunda. Kitu deui, gambaran dinamika kahirupan pulitik jeung pamarentahan di tatar Sunda umumna leuwih rea kaungkab tina catetan sajarah mangsa muka leuweung sarta tanam paksa (1750-1870an) sanajan memang aya sababaraha tulisan nu oge ngabahas pola kahirupan masa- rakat Sunda mangsa karajan-kara- jaan Hindu tapi jumlahna henteu. kaitung rea. . ' Kawatesanana . catetan sajarah ngeunaan kahirupan manusa Sunda bisa jadi dilantarankeun ku pola hirupna nu henteu kungsi ngawangun hiji tipe komunitas desa sarta henteu kungsi dikawasa ku hiji kakawasaan pulitik karajaan nu museur(terpusat). Henteu sa- perti di Jawa Tengah sarta Jawa Timur, pangawasa di tatar Sunda henteu kungsi ngadegkeun hiji karajaan Sunda m.i ngahiji. Kara- jaan. Sunda panungtung , Pajajar- an, ngawasa Priangan dina abad ka 15 sarta ka 17 saukur mangrupa karajaan simbolik di hiji lingkup wilayah nu lega. Nagara-nagara karajaan di sabu- deureunana mangrupa nagara-na- gara otonom nu dipingpin k.upara . bangsawan satempat (meQak). minangka kapala wilayah nu mandiri. Pola saperti kitu biasana disebut oge pola. mandala.. Hiji mandala mangrupa "suatu kesatu- an masarakaf kalayan pangawasa nu relatif otonom. Leuwih j~uh Sutherland ngagam- barkeun patali marga bal")gsawan jeung masarakat nu condong sipat- na feodal. Para menak bieu man- grupa bangsawan turun tumurun kalayan ngabogaan rupa-rupa hak istimewa, gelar kaningratan jeung jabatan resmi. Maranehna cicing di kota-kota sarta henteu rea ngabina patali marga jeung wilayah pade- saan. Sanajan sabagian ti mara- nehna ng~pimilik tanah pertanian di desa, patali marga antara bang':: sawan.jeung patani remen sawates ngeprak tanaga kerja sa~engah paksa jeung narik bagi hasil panen. Polarela~i kakawasaan di tatar Sunda ngalaman dinamika nu matak narik pikeun dititenan. Dina mangsa awal muka leuweung, tatar Sunda mangrupa wilayah nu nutup diri jeung. semi otonom bari jeung taya pangawasa puseur nu boga kakawasaan narik pajeg jeung meunang dukungan rahayat. Tatanen ladang(huma atawa gaga) henteu bisa ngalantaran.- keun kamekaran cacah jiwa nu gegek. Kampung-kampung umum- na ukuranana leutik jeung arang kaintegrasikeunkana jero sistem desa nu leuwih gede. Kampung- kampung leutik bieu ngawengku rumah tarigga para patani huma riu hirup pangpangna tina nu dihasilkeun ku maranehna. Tapi kondisibieu robah satutasna ditalukkeun ku Walanda d[na taun 1677 sarta era Tanam Paksa (1750-1870). Patali marga kakawa- saan nu keur lumangsung leuwih nembongkeun kondisi nu otoriter tibatan moralistik, leuwih sipatria administratip tibatan komunal, sarta didasarkeun kana patali marga jeung pangawasa nu leuwih 'Iuhur lain kana dukungan masa- rakat. Dina pertengahan abad ka 19, lahan-Iahan huma robah jadi lahan pare sawah irigasi. Paroba~an pola produksi bieu .satuluyna nuju (ma- ngarah) kana parobanan struktur sosial..:Pangeusi tatar Sunda dina mangsa harita jadi masarakat nu mahglapis-Iapis (terstratifikasi) dumasar .!<anakapamilikan. tanah. Nya dina-mangsa ieu kakawasaan para menak lokal jadi tambah gede. Peran penting kaom menak dina dinamika pulitik lokal oge ngala- man pasang surud sajalan jeung kajadianana rupa-rupa parobahan. Nalika Islam mimiti nerekab, munculaktor anyardina dinamika: pulitik lokal, nyaeta kaom ulama. I Kaom ulama ngalakonkeun pe- ranpenti~g di wilayah Jawa Barat, hususna salila periode 1800-1870 kulantaran aya patali marga nu raket antara kahirupan agama 50 Mangle No. 2209

Transcript of Revitalisasi Ajen Inajen Budaya Sunda Keur Nyiptakeun...

Vlaraman),,---:,><, )

~Oi);o Senin

12317 18 19

OJan OPeb

IIlIlOlifl gllteo Selasa 0 Rabu

456 7

20 21 22

o Mar OApr OMel

o Kamis 0 Jumat8 9 10 1123 24 25 26

OJun OJuJ 0 Ags

cx;~~":,'" ~( ~

o Sabtu

12 13

27 28

OSep OOkt

o Minggu14 15 16

29 30 31

ONov ODes

Revitalisasi Ajen Inajen Budaya Sunda .

KeurNyiptakeun Local G~od GovernanceDi Jawa Barat

Ku Dede Mariana & Caroline Paskarina. *)

I

Nimu Deui (Reinventing) AjenInajen Sunda. Disawangtina kwantitasna, etnis

Sunda mangrupa etiiis kaduapanggedena sabada etnis Jawa.Sanajan kitu, henteu rea catetanatawa tulisan nu dijieun ngeunaanetnis Sunda, nepi ka gambaranngeunaan manusa Sunda sartakahirupanana tacan rea kaungkabkalayan jero. Sababaraha tulisannu ngabahas ngeunaan dinamlkakahirupan sosial budaya manusaSunda umumna miang tina mang-sa sabaJ15da asupna Islam katatar Sunda. Kitu deui, gambarandinamika kahirupan pulitik jeungpamarentahan di tatar Sundaumumna leuwih rea kaungkab tinacatetan sajarah mangsa mukaleuweung sarta tanam paksa(1750-1870an) sanajan memangaya sababaraha tulisan nu ogengabahas pola kahirupan masa-rakat Sunda mangsa karajan-kara-jaan Hindu tapi jumlahna henteu.kaitung rea. . '

Kawatesanana . catetan sajarahngeunaan kahirupan manusaSunda bisa jadi dilantarankeun kupola hirupna nu henteu kungsingawangun hiji tipe komunitasdesa sarta henteu kungsi dikawasaku hiji kakawasaan pulitik karajaannu museur(terpusat). Henteu sa-perti di Jawa Tengah sarta JawaTimur, pangawasa di tatar Sundahenteu kungsi ngadegkeun hijikarajaan Sunda m.i ngahiji. Kara-jaan. Sunda panungtung , Pajajar-an, ngawasa Priangan dina abadka 15 sarta ka 17 saukur mangrupa

karajaan simbolik di hiji lingkupwilayah nu lega.

Nagara-nagara karajaan di sabu-deureunana mangrupa nagara-na-gara otonom nu dipingpin k.upara

. bangsawan satempat (meQak).minangka kapala wilayah numandiri. Pola saperti kitu biasanadisebut oge pola. mandala.. Hijimandala mangrupa "suatu kesatu-an masarakaf kalayan pangawasanu relatif otonom.

Leuwih j~uh Sutherland ngagam-barkeun patali marga bal")gsawanjeung masarakat nu condong sipat-na feodal. Para menak bieu man-grupa bangsawan turun tumurunkalayan ngabogaan rupa-rupa hakistimewa, gelar kaningratan jeungjabatan resmi. Maranehna cicing dikota-kota sarta henteu rea ngabinapatali marga jeung wilayah pade-saan. Sanajan sabagian ti mara-nehna ng~pimilik tanah pertaniandi desa, patali marga antara bang'::sawan.jeung patani remen sawatesngeprak tanaga kerja sa~engahpaksa jeung narik bagi hasil panen.

Polarela~i kakawasaan di tatarSunda ngalaman dinamika numatak narik pikeun dititenan. Dinamangsaawal muka leuweung, tatarSunda mangrupa wilayah nu nutupdiri jeung. semi otonom bari jeungtaya pangawasa puseur nu bogakakawasaan narik pajeg jeungmeunang dukungan rahayat.

Tatanen ladang(huma atawagaga) henteu bisa ngalantaran.-keun kamekaran cacah jiwa nugegek. Kampung-kampung umum-na ukuranana leutik jeung arang

kaintegrasikeunkana jero sistemdesa nu leuwih gede. Kampung-kampung leutik bieu ngawengkurumah tarigga para patani huma riuhirup pangpangna tina nudihasilkeun ku maranehna.

Tapi kondisibieu robah satutasnaditalukkeun ku Walanda d[na taun1677 sarta era Tanam Paksa(1750-1870). Patali marga kakawa-saan nu keur lumangsung leuwihnembongkeun kondisi nu otoritertibatan moralistik, leuwih sipatriaadministratip tibatan komunal,sarta didasarkeun kana patalimarga jeung pangawasa nu leuwih

'Iuhur lain kana dukungan masa-rakat.

Dina pertengahan abad ka 19,lahan-Iahan huma robah jadi lahanpare sawah irigasi. Paroba~an polaproduksi bieu .satuluyna nuju (ma-ngarah) kana parobanan struktursosial..:Pangeusi tatar Sunda dinamangsa harita jadi masarakat numahglapis-Iapis (terstratifikasi)dumasar .!<anakapamilikan. tanah.Nya dina-mangsa ieu kakawasaanpara menak lokal jadi tambahgede.

Peran penting kaom menak dinadinamika pulitik lokal oge ngala-man pasang surud sajalan jeungkajadianana rupa-rupa parobahan.Nalika Islam mimiti nerekab,munculaktor anyar dina dinamika:pulitik lokal, nyaeta kaom ulama. I

Kaom ulama ngalakonkeun pe-ranpenti~g di wilayah Jawa Barat,hususna salila periode 1800-1870kulantaran aya patali marga nuraket antara kahirupan agama

50 Mangle No. 2209

I-

#

jeung kahirupan material. Lian tingurus kapentingan spiritualmasarakat, para pamlngpin agamanyekel kakawasaan oge ngeunaanirigasi jeung tatanen. Mangsanakqmpung-kampung leutik mekarjadi desa sarta pacengkadan lokalnerekab jadi pulitik resmi, nya parapamingpin agama remen gawebareng jeung birokrasi dina hijijaringan ekonomi sarta hak~hakistimewa nu kompleks.

Relasi pamingpin agama jeungbirokrasi nu condong ~Iitis satuluy-,na nimbulkeun perlawanan tikefompok-kelompok masarakat,sqperti nu kajadian di Banten sartatempat-tempat sejen di Priangan.

Di kalangan' patani SLinda,kateusugemaan maranehna ditu-jukeun ka pangawasa kolonial,para ~angsawan pribumi jeungpaja1;>atdesa, sarta para guruagama. Dina mangsa-mangsa sa~tuluyna, gerakan-gerakan bieudi-pingpin ku 'kelompok-kelompokIslam progresif. Salila 40 taun tiharita, breng.wae hiji gerakan puli-tik nungalegaankalayan pembaru-an Islam minangka kokojona.

Dina ahir abad ka 19, karereaanpamingpinagama. jeung pl,Jlitiklokal di Priarigan mimiti mekarkeunpatali marga nu leuwih deukeutjeung pi:mgeusi pade~aan. Gera-kan-gerakan protes sosial, jeungpembaruan Islam ngadorong mara-nehna pikeun leuwih negesk~un'orientasina ka masarakat. Abad ka20 mawa tatanan pulitis sartakapamingpinan pulitik' anyar, hu-susna sanggeus Indonesia merde-ka. Gerakan-gerakan sosial di tatarSunda. masih tetep. maruncul pas-cakamerdeka'anlnd<;>nesia,husus-na nu timbul minangka jawabankateusugemaan kana kabjjakan-kabijakan nu dijieun. ku Pama-rentah Pusat.

Salasahiji contona nyaeta ger-akan Darul Isla~ 'numuncul mi-nangka wangun , ~ateusugemaankana henteu diakomodasikeunana

pameredih diasupkeunana SyariatIslam kana dasar nagara. Dinataun-taun awal gerakan bieu, paraguru agama nepikeun gagasanperjuangan repeh-rapih(perjua-ngan damai) pikeun ngahontalnagara Islam,. Sawatara pihakngagabung ka Darul Islam kulan-taran nayang ngareformasi sistempamarentahan ngaliwatan jalurpulitik. Tapi. kbnfrontasi jeung ge-rakan nasionalis, ngajurung DarulIslam ngalengkah kana prosesradikalisasi sarta pemberontakanmake bedil, nepika ahirna gerakanbieu satuluyna dianggap minangkag~rakan pemberontakan tur aduhareupan jeung Pasukan Siliwangi.

Era hudangna partey-partey puli-tik dina mangsa demokrasi liberalmawa asup pulitik aliran kana petapulitik di tatar Sunda. Aya dimensisejen dina aliran Islam, nyaeta tra- .disionalisme jeung reformisme.Konflik ideologi bieu kungsi kajadi-an dina parebutna gerakan SarekatIslam dekade 1910an sarta sakalideuidina mangsa pemberontakanDarul Islam. Hasilna nyaeta nga-ronjatna polarisasi pulitik nu ngali-watan beda-bedana kelas. Tapi,fenomena bieu henteu kaitung kuatkulantaran norma.dasar kahirupanmasarakat Sunda nyaeta harmoni,lain sarwa henteu patuh sarta revo-lusi. Saeutik-saeutikna norma da-sar bieu milu mangaruhan lumang-sungna dinamika pulitik di wilayahSunda nepi ka danget ayeuna.

Dina mangsa ~yeuna, aya saba-baraha ajen atawa norma nu mekardi masarakat Sunda nu bisa jadibisa dikategorikeun minangka sa-wangan maran~hna kana masalahpulitik jeung pamarentahan.

Ajen-ajen budaya lokal rea ngan-dung momotan moralitas sanajanhenteu9inyatakeun kalayaneksplisit. Moralitas bieu henteu.saukur ka'gambar dinq relasi antarmanusa, antar elit jeung massa,

.tapi oge antara manusa jeunglingkungan alamna. Sistem ajen

budaya Sunda wanoh kana ayana"ramalan" atawa uga minangkasalahsahiji media transfer ajen ina-j~n budaya antar generasi. Inter-pretasi simbolik kana uga ngung-kabkeun yen parobahan sosialatawa pulitik dina mangsa nu bakaldatang lumar:tgsungluyu jeung nugeus diduga (diperkirakan) ku paraluluhur.

Hartina, parobahan jaman sa-kalian jeung tangtanganana sate-menna geus diduga samemehna,parobahan nyaeta hiji kaniscayaannu teu bisa disinglar. Kukituna,minangka bekel pikeun nyangha-reupan tangtangan parobahan ja-man, ajeri inajen budaya lokalsawadina jadi acuan moral (moralguidance) dina sikep hirup sapo-poe. Ajen inajen bieu bisa wangun-na semboyan, nasehat, atawababasan nu tatalepa, nepi ka bohsacara langsung boh henteu lang-sung dijadikeun saperti padomanatawa ukuran dina ngajen hiji polahmasarakat kitu deui elit nu nyekelkakawasaan. Ari nasehat atawababasan nu ngabogaan dimensipulitik bieu diantarana cageur,bag~ur, bener,pinter, siger tengah,leuleus jeujeur liat tali, lauknabeu-nang caina herang, bengkungngariung, bongkok ngaronyok, tiisceuli herang panon, Iandung kan-dungan laer aisan,pindah cai pin-dah tampian, kawas kujang duapangadekna, legok tapak gentengkadek jst.

Lian ti kagambarkeun dinaungkapan-ungkapan, ajen inajenlocal governance di tatar Sundakagambarkeun. oge dina polakapamingpinan Sunda saperti nukaungel dina naskah-naskah kunasarta tradisi lisan di kalanganmasarakat Sunda. Gagasan tipekapamingpinan administratif kau-ngel dina naskah SiksakandangKaresian dina lami;>aran26 jeung27. Dina lambaran bieu, kaungelhiji aj~ran yen saupama saban

,jalma madoman kana bebeneran

Mangle No. 2209 51

sarta ngajalankeun pancen se-wang-sewangan kalayan daria,mangka bakal kahontal karahar-jaan nu abadi. Kitu deui dinaPrasasti Kawali I sarta II, Raja

-Wastu nepikeun wasiat ka nunuluykeunana supaya nagaraKawali tetep raharja ku jalan nga-lakukeun kahadeah sarta ngarawatkaraharjaan.

Dumasar kana dua sumber tinulisbieu, ajan inajen kapamingpinan nungalemah dina budaya Sundanyaeta madoman kana bebeneran,digawe luyu

jeung pancenna, ngalakukeunkahadean, sarta ngarawat karahar-jaan. Dina babaran satuluyna, ajeninajen bieu teh dinyatakeun dinasikep-sikep hiji pamingpin nu :

1. teu adigung kamagungan2. titih rintih, tara kajurung ku nafsu.3.sacangreud pageuh, sagolek

pangkek, henteu ganti pileu'!!-pangan. '

4. leber wawanen5. loba socana rimbil cepilna( pinter

maca kaayaan sarta ngadenge-keun humandeuarna rahayat)

6.-kudu boga pikir rangkepan (was-pada) _

7. kudu jadi gunung pananggeuh-an(kudu jadi andelan rahayat)

#

Dina rupa-rupa tradisi lisan dikalangan masarakat S'unda kasi-dem oge gambaran ideal figur hijipamingpin.Sanajan daerah Sundamangrupa paninggalan daerahkarajaan, tapi gambaran ngeunaanfigur pamingpin nu ideal jauh tinatagog nu feodal atawa kebek kusarat kakawasaan saperti ka-beungharan. Dina Wangsit Siliwa-ngi, upamana, figur hiji-pamingpindiidentifikasikeun mangrupa budakangon. Kitu deui dina uga(ramalan)Kawasen dinyatakeun yen hiji pam-ingpin nyaeta figur nupohara basa-jar'!nasarta ngarahayat deuih.

Dina kamekaran satuluyna, sa-bada asupna agama Islam ka dae-

rah, Sunda ngaliwatan Banterijeung Cirebon, ajen inajen kapam-ingpinan Sunda mimiti dipa-ngaruhan ku ajaran agama 1~lam.Kukituna, muncul figur ideal pam-ingpin nu dipiwanoh Raja Pinanditanu mangrupa "perpaduan" antarapajabat nagara (umaro) jeungulama(maksudna ngapimillk pa-ngaweruh jeung panghayatan nuasak ngeunaan kaagamaan).

Kabasajanan konsep kapaming-pinan, sarta figur pamingpin dinaajen inajen adat Sunda bieu sum~berna tina sawangan hirup urangSunda nu ngupayakeun jalan ten-gah(sineger tengah) nu dihartikeunparipolah atawa lampah nu saim-'bang sarta nyukupan, henteu ku-,rang henteu leuwih. Sawanganbieu bisa ngandung aspek positifsakaligus aspek negatif. _Positifna,sawangan hirup bieu ngalan-tarankeun urang Sunda henteunonjolkeun diri, tapi negatifna,sikep saperti kitu bisa dihartikeunminangka jalma nu henteu waninanggung risiko enggoning ma-geuhan hiji hal. .

Sakumna nasehat bieu ngan-dung ma'na ajen nu aya patalinajeung paripolah manusa Sundalebah nyanghareupan parobahan,sarat-sarat jadi pamingpin, caranyanghareupan masalah, sartasikep kana beda pamanggih jeung,

, konflik.

Kukituna, lebah lumampah, ajeninajen bieu nu jadi acuan pikeunngahontal kondisi nu saimbang(harmoni).

Upamana, lebah nyanghareupankonflik, situasi kOridisi nu hayangdituju ku masarakat Sunda nyaetatiis ceuli herang parion(aman ten-tram). KukitUnei, saban masalahkudu disanghareupan kalayan lan-dung kandungan I,aerai~an (bijak-sana). Nyanghareupan beda pa-manggih atawa konflik, kalayanleuleus jeujeur liat tali. Hartina,disangh/:!,reupan kalayan lemahlembut, tapi henteu ninggalkeun

prinsipnu dianut. ,

Sc;ljalanjeung kamekaran mang-sa' ayeuna nu ngamunculkeunrJ,Jpa-rupakakuatan pulitik, sosial,jeung budaya -anyar,_ 'norma har-

monisasi katingalna perlu dima'~naan ulang. Harmonisasi dina kon-teks sentralisasi bisa jadi bakalngamunculkel:ln kondisi nu sarwanutup jeung sarwa curiga di antarapara palaku pulitik. Kukituna, har-monisasi kudu dima'naan bisadiciptakeunana konsensus ngali-watanproses_transaksional. -

Budaya lisan nu salila ieu jadi cirihas rhasarakat Sunda sabenernabisa jadirhooal pikeun ngawangundiskursus nu egalitariandi antararupa-rupa kakuatan pulitik nu aya ditatar Sunda, boh kakua:tan pulitikformal boh nonformal. .

, Adaptasi Ajen Inajen .SundaKeur Mekarkeun Local Good-Governancedi JawaBarat. -

Jawa Barat mangsa ayeuna lain, deuitatar'Sundanu saukurdicicin-gan ku urang Sunda pituin. Kitudeui, konteks relasi kakawasaan nulumangsung ayeuna henteu bisadisaruakeun deui jeung konteks nulumangsung mangaba.d-abad sa-memehna. Jawa Barat mangsaayeuna moal bisa disaruakeunjeung ,Pajajarandi mangsa baheulakulantaran, konteks jeung tangta-ngan nu disanghareupanana og~beda. Kukituna, ajen inajen SUndanu jadi sumanget dina mangsakajayaan Pajajaran perlu direvitali-sasi sarta diadaptasi supaya mam-:pl,lhngajawab tangtangan jaman.

Konsep revitalisasi henteu' sau-kur ngomongkeun upaya ngahu-dang deui ajen inajen Sunda, tapioge ngama'naanulang substansi

'nu kakand~ng di jerona, nepi kahudangna deui anjen inajen Sundahenteu sawates ritual. Ngahirup-keun deui ajen inajen Sunda nu'egalitarian sawadina henteu saukureureun dina romantisisme historiskana kajayaan Pajajaran atawa

52 Mangle No. 2209

kapamingpinan Prabu Siliwangi,tapi perlu dituluykeun ku upayapikeun ngaadaptasikeunana kanakondisi ayeuna.

Upaya revitalisasi karek bakalngabogaan ma'na saupamaupaya bieu diimbangan ku adap-tasi ajen jeung institusi sarta sum-ber daya-sumber daya nu nyam-pak'dina mangsa ayeuna.

Local Good Governance patalijeung konsepsi ngeunaan praktekrelasi kakawasaan nu didada-saran ku prinsip-prinsip kapa-marentahan nu hade, saperti bruk-brak, partisipasi, pertanggung-jawaban, nanjeurkeun hukum,kamitraan n1Jsinergis, mekarkeunjejaring gawe jst. Sakabehna man-grupa refleksi tina pola reJasikakawasaan khas Sunda nu hen-teu miwanoh ayana kakawasaannu museur. Ajen kasatataan jeungpola kapamingpinan nu egalitarianperlu jadi titik fokus nu perlu direvi-talisasi dina ngararancang ulangpraktek tata kapamarentahan lokalnu hade di Jawa Barat.

Sajalan jeung kamekaranjaman, kaanekaragaman masa-rakat Jawa Barat beuki namba-han,hen~eu saukur tina dimensikultural tapi oge dimensi ,identitas(ras, etnisitas, agama). Nya dinakondisi saperti kitu konsep multi-kulturalisme narima relevansina.Konsep multikulturalisme henteubisa, disaruake'un jeung konsep.kaanekaragamansacara seler-bangsa atawa kabudayaan seierbangsa nu jadi ciri masarakatmajemuk kulantaran multikultural-isme nekenkeun kaanekaragamankabudayaan dina kasadarajatari.Ide multikulturalisme dasarna mahnyaeta gagasan pikeun ngaturkaanekaan kalayan prinsip dasarpangakuan kana' kaanekaansorangan.

KomitlT)enpikeun ngaku kaane-kaan minangka" salahsahiji cirimasarakat Jawa Barar dangetayeuna ,henteu ngandung harti

kacabut 'tina akar budaya lokal(Sunda) kulantaran dina mangsanu sarua satemenna oge aya sim-bul-simbul, ajen inajen , struktur-struktur, jeung lembaga-Iembagadina kahirupan babarengan numeungkeut rupa-rupa kaanekaanbieu. Dina karakter masarakat nunuju kana kosmopolitanisme, mul-tikulturalisme ngajadikeun polainteraksi sarta identifikasi diri sifat-na jadi multi nepika hiji jalma hen-teu saukur ngarasa dirina minang-ka urang Sunda kulantaran,manehna dilahirkeun ku kolotnanu etnisna Sunda, leuwih ti kitu,hiji jatma nu lain etnis Sunda tapilahir di Bandung oge bisa ngarasadirina minangka bagian .timasarakat Sunda.

Karakter budaya pulitik Sundacondong nempatkeun elit sacaradominan dina netepkeun putusan,sedengkeun karakter masarakatSunda sanajan nembongkeun cirimasarakat nu egaliter (sadarajat),tapi sacara kultural masarakatSunda condong nembongkeunpartisipasi pulitik nu individualistis.Kondisi bieu mere lahan (peluang)ka nu nyekel otoritas pulitik pikeunhenteu malire kapentingan pulitikmayoritas masarakat. Dina watesnu tangtu, masarakat Sundamemang nembongkeun ciriegaliter tapi dina egaliterianismebieu malah muncul sifat-sifat indi-vidualistis lebah pasualan nupatali jeung kapentingan pribadi.Dina kondisi saperti kitu, apatismeatawa . "ketidakacuhan pulitik"remen nembongan. Kondisi kitungalantarankeun otoritas pulitikhambahan 'lpeluaDgnai' pikeunr'lgapilainkeun ,aspirasi jeungkapel'1tinganmasarakat. Paripolahpulitik maranehna ahirna nyirikeunindividualistis oge kulantaran hen-teu aya pressure signifikari sacarakolektif ti masarakat' mangsanakapentingan maranehna henteukaakomodasikeun sagemblengna.

Kukituna, upaya revitali'sasi oge

moal ngabogaama'na mun hen- i

teu diimbangan ku advokasi bohsacara langsung boh ngaliwatanrupa-rupakabija '

kan strategis pikeun ngaron-jatkeun kapasitas ajen inajenbudaya Sunda. Lengkah kitu bisadilakukeun ku pamarentah daerahbabarengan jeung elemen-elemenmasarakat sipil (LSM kitu deuilembaga adat) nu bagerak luyujeung koridor peranna sewang-

,sewangan. Peran pamarentahdaerah dumasar kana prinsip sub-sidiarity, dina harti pamarentahdaerah saukur ngalakukeun naonnu henteu bisa dilakukeun kumasarakat sipil. Intensitas inter-vensi pamarentah daerah kududiluyukeun jeung tangtangan sartamasalah nu disanghareupan. Dinamangsana kapasitas masarakatpikeun ngarengsekeun' masalahpohara handapna tur ngandungpotensi pikeun nimbulkeun konflik,mangka intensitas intervensipamarentah daerah kudu gede.Tapi, saupama kapasitas masa-rakat cukup luhur, tah, peranpamarentah daerah milih interven-si minimal. Kukituna, peran pama-rentah daerah leuwihrea. dituju-keun pikeun ngeusian ganjornaantara masalah nu disangha-reupan ku masarakat lokal jeung.kapasitaspikeun ngarengsekeunmasalahbieu. .

Relasi nu saimbang sarta par-tisipasi masarakat tokal leba'hnyieun kabijakan jadi kaitung pent-ing pikeun numuwuhkeun kaper-cayaan (trust) jeung aubnamasarakat sipil' (civic engage-ment)nu dina dangka panjangbakal ngaronjatkeun kapasitasajen inajen budaya Sunda mi-nal1gka tatapakan pikeun ngawu-judna local good governance. ***

I.

( Oisalin' tina jurnalGovernance, volume I, nomor

4, Oktober-Oesember 2005)

Mangle,No.2209 53