Mangle 2457

57

Transcript of Mangle 2457

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Saban waktu disanghareupkeun kana pilihan.Milih mana, nu kumaha, kaasup naha mendingngeukeuhan nu nyampak atawa kudu robah. Tah,

nu kawas kitu téh ilahar naker, kaasup dina nang-tukeun pamingpin.

Nyanghareupan pilihan umum lima taunan,samistina nataharkeun sagala rupana, kaasup sagedmilih geusan nangtukeun pamingpin nu leuwih hadébatan nu enggeus-enggeus. Hartina, upama bogapakarepan kawasa kitu, ngimeutan lengkah-lengkahjeung paripolah pamingpin téh teu meunang dilala-worakeun. Sabab, hadé goréngna paripolah pamingpin,bakal karandapan ku balaréa.

Upama ngimeutan kaayaan tatar Sunda, maju-mundurna kaayaan gé bakal raket tumalina jeung ka-pamingpinanana. Kamajuanana, moal henteu lantaranpangaruh pamingpinna, nya kitu deui

kahéngkéranana. Lantaran, nu boga wewenang nang-tukeun jeung ngalarapkeun kawijakan teh pamingpintéa.

Nilik ka dinya, jengléngan pamingpin nu nyaah katatar Sunda gé, keur urang Sunda mah kacida pent-ingna. Hartina, deuih tinimbangan milih pamingpin géulah tuna tina ajén-inajén kasundaan nu ngancik di étacalon pamingpin.

Mitra, tumali sareng kapamingpinan di Sunda,Manglé nomer ieu nurunkeun seratan pentingnakanyaah calon pamingpin ka masarakat tatar Sunda.Tumali sareng éta, Manglé nglongan pamendak H.Yusyus Kuswandana, SH., anggota DPR RI asal JawaBarat. Lian ti éta deuih aya seratan tumali sarengpadika atanapi cecekelan urang Sunda dina milih pam-ingpinna. Nu disebat bieu mah, nara Sumberna SomaGantika, pangurus Paguyuban Pasundan. ***

Wani Robah

LLawangSakéténg

LAPORAN

Milih Pamingpin

Ulah Kaduhung Ahirna

.......................................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Nu Cinekul dina Tunggul

Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24

SAJAK

Catetan Keur Sarakan

Prayoga Adiwisastra ...................... 38

IMPLIK-IMPLIK

Pangalaman Dawah

Ti Lapas ka Lapas

......................................................... 46

BAHASAN

Mahabharata jeung Lalakon Wayang

Ajip Rosidi ...................................... 52

CARITA PONDOK

Paraji ti Cikahuripan

Taufik Rahayu .................................. 18

Kalangkang Tineung

Cardubag Tiktik Rusyani .................... 20

Hampura, Kang …

Deka Wimala ....................................... 31

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................ 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Nyusur Galur .................................... 12

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Carpon Lucu ..................................... 34

Pangalaman Para Mitra ..................... 35

Ha... Ha... Ha ..................................... 36

Dongeng Aki Guru ............................ 39

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong ................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (186)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (25)

M.A. Salmun

............................................................. 12

Layung Ngempur di Kampus Bungur (1)

Lugiena De

............................................................. 32

5TAMU

H. Yusyus Kuswandana, SH.;

Metakeun Jurus, Ngahudang Kaludeung Sunda

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Naha teu ngelol-ngelol gening SMS timanéhna téh? Keclak cimata mimitimaturan gerentes haté nu ngarasa

kacida nineungna. Enya, asih mung-garan téh geuning hésé pisan ingkah tinarohangan haté, cacak-cacak tas puluhan

taun kaliwat. Kamari téh bibirigidigan kénéh basa ba-baturan ngobrol masalah ‘cinta lama......

31

HAMPURA, KANG …

Rey Soraya

3Manglé 2457

KKacaTilu

Tatar Sunda 2014

Taun 2014 téh cenah taun pulitik.Sagala rupa bakal museurna kadinya. Pemilihan umumna gé

apan nepi ka dua jirangan. Sanggeusmilih keur anggota DPR/DPRD jeungDPD, nincak kana milih presidénjeung wakilna. Kacipta bakal kumahariweuhna. Jeung kacipta deuih bakalcul ka nu séjén-séjén, lantaran bohmodal boh pikiran bakal museurnakana dua kagiatan nu éta.

Nu ku urang bakal dipilih engkétéh, hartina nangtukeun keur limataun pikahareupeun. Saha baé anubakal kapilih jadi wakil rayat jeungwakil daérah, kitu deui saha baé anubakal kapilih jadi presidén, bakalnangtukeun pisan pikumahaeunkahirupan urang salila lima taun deui.Ngan lamun ngabandungan anu geuskajadian salila lima taun ka tukang,geus kabuktian loba pisan anu kududibebenah deui téh.

Kaasup kaayaan di Tatar Sunda.Jawa Barat téh propinsi pangkolotnadi nagara urang, lantaran mangrupapropinsi munggaran anu diadegkeunku pamaréntahan Hindia Walanda.Naon sababna pamaréntah haritangaheula keun ngadegkeun PropinsiJawa Barat batan nu séjénna, tangtuloba alesanana. Keun soal éta mah dabakal panjang picaritaeunana. Nuleuwih pantes ayeuna dipalikiran kuurang Sunda sakumna mah kumahakaayaan Tatar Sunda kiwari?

Anu bisa disebut pangheulana,urang Sunda kiwari kabandungananaloba pisan luh-lahna. Teu mustahil tibéh dituna ogé sabenerna mah kitu,ngan harita mah teu bisa dikedalkeun,

da inggis jeung sieun ku bisi téa. Ariayeuna apan nu sok disarebut sieun kuboa téh geus kalimpudan ku otonomidaérah. Dina jaman otda mah bédadeui kaayaanana, cenah.

Kudu disebut cenah, lantaran radaloba kaolna. Mimitina pangna ditetep-keun ayana otda téh sangkan daérahmiboga kasempetan jeung kakuatanpikeun leuwih maju. Saméméhnaapan sagala rupa ditangtukeun ditingkat pusat. Salasahiji akibatna anukarasa pisan, naon anu jadi angen-angen urang daérah téh loba anu taradibandungan ku urang pusat. Padahalnu araya di pusat téh lolobana mahurang daérah.

Naon sababna pangna urangdaérah anu araya di pusat jadi teu patimaliré kana karep jeung kahayangurang daérahna sorangan? Lantarankahayang ti pusat mimindengna mahbéda.

Salasahiji anu keur jadi masalah diTatar Sunda dina nganggeuskeun taun2013 téh nyaéta Gunung Padang. Étatempat téh geus aya ti baheula mula.Tempatna gé angger di dinya, teukungsi pipindahan. Salila puluhantaun, malah boa ratusan taun, diantepsakumaha kaayaanana baé.

Ari kadieunakeun, sasat teu gugurteu angin ujug-ujug ramé pabéja-béja,pajar cenah Gunung Padang téh pi-ramid. Ngan ayeuna geus katututannepi ka jadi gunung. Supaya piramid -na katémbong deui, taya deui jalannaiwal ti dikali.

Komo sanggeus aya béja pajarcenah piramid nu aya di jero GunungPadang téh umurna leuwih kolot

batan piramid nu aya di Mesir. Ngan,sajeroning kitu sababaraha ahli purba -kala jeung ahli géologi teu percayaeun.Euweuh, di dinya téh euweuh piramid,cenah.

Kaayaanana beuki harénghéng,lantaran anu keukeuh bogaangkeuhan kana ayana piramid téhjolna ti Istana Negara. Nu ka hareupnaAndi Arif, anu sapopoéna jadi jurubicara Presidén Yudhoyono. Lantaranpatula-patalina geus losna ka dinya,atuh beuki pabeulit.

Ngan lamun téa mah urusansangkaan kana ayana piramid di Gu-nung Padang téh bener jolna ti Istana,beuki katémbong yén dipaksakeunanatéh. Komo sanggeus di Bandungdiaya keun Gotrasawala dina awalbulan Désémber 2013. Piisukaneunkana derna, acarana téh ngalanglangka Gunung Padang. Cenah pamarén-tah Jawa Barat teu bisa nolak, da étamah kahayang ti luhur. Naon hartinaatuh otonomi daérah téh?

Naha dina taun 2014 jeungsatuluy na hal-hal saperti kitu téhmoal kajadian deui? Taya nu bisaméré jami nan. Mangkaningseseledekna kahayang ti pusat anudipaksakeun ka daérah téh, di JawaBarat baé, lain ngan sakadar nukajadi an di Gunung Padang. Nu ka-jadian di Gunung Tangkubanparahuogé apan teu bina ti kitu. Kitu deuidina urusan pasir besi.

Lamun bakal terus-terusan kitu,teu mustahil kaayaanana bakal beukimatak melang. Mangkaning ayeunabaé Jawa Barat téh kaasup daérah nupangmiskinna! AM

Manglé 24574

Hiliwir angin Désémberdipirig hujan miripis isuk-isuk, matak seunggah nu

lumampah. Komo keur nu araya dipagunungan saperti padataran luhurwewengkon Jatinangor, nu keurkasab di kebon gé leuwih milihngiuhan di saung atawa dina handa -peun runggunukna tatangkalan.Tapi, nu diparangsi jeung kaos hi -deung mah, hawa tiris kitu téh, ban-

gun teu mangaruhan kanasumangetna. Eta para ‘jawara’ silatGagak Lumayung téh, hut-hét méta -keun jurus di lapang maénbal KiaraPayung Jatinangor, Sumedang JawaBarat.

Taksiran, parapalatih silat mahteu nolih rasa tiris jeung capé. Da,cikénéh disundut sumangetna kuKetua Dewan Pimpinan Daérah(DPD) Persatuan Penggemar Pencak

Silat (P3S) Gagak LumayungPropinsi Jawa Barat, H. YusyusKuswandana. Kang Yusyus (kitukatelahna), méméh ngabringkeunpara palatih silat ka lapang maén baltéh, nepikeun wejanganana, di salahsahiji rohangan di éta wéwéngkon.Intina, nyundut sumanget jeungngayakinkeun parapalatih silat, yénéta béla diri téh gedé guna jeungmangpatna keur balaréa.

5Manglé 2457

TTamu

H. Yusyus Kuswandana, SH.;

Metakeun JurusNgahudang Kaludeung Sunda

Urang Sunda kudu kuat.

Carana, maké padika hirup

nu geus kauji ti baheula

mula. Kitu di antara jejer

obrolan Manglé jeung

H. Yusyus Kuswandana,

Anggota DPR RI,

asal Jawa Barat.

***

Dina sela-sela nepikeun pamang-gihna, H. Yusyus gé metakeun jurus-jurusna. Enya, apan inyana gé resepkana menca téh ti keur rumajakénéh, lana nepi ka ayeuna. “Dinamangsa campur gaul jeung rupa-rupa bangsa katut budayana, bangsaurang kedah tetep napak kanabudaya na,” pokna ka Manglé di KiaraPayung Jatinangor, Sumedang JawaBarat.

Budaya Sunda, ceuk H. Yusyus,bisa dilarapkeun dina rupa-rupawidang, kaasup dina pulitik! Ngan,tangtu cenah, larapna budaya Sundatéh, kudu dimitembeyan heula tinamikawanohna. “Kalebet kedahwanoh kana sajarah Sunda,” poknabari nyutat kekecapan Milan Kundra,panulis Ceko nu nyebutkeun, munhayang ngancurkeun hiji bangsa,ancur keun wé sajarahna!

Dina mikaresep penca silat, KangYusyus mah, lain ukur semet diajarjeung ngéngklak nuturkeun wirahmakendang jeung tarompét, tapi deuihngalelekan palsapahna. Da, cenah,loba kacida pasipatan hadé nu bisadialap tina penca téh. Saperti kekeca-pan tékad, ucap, lampah, jeungparipolah nu kudu sawirahma, bisadilarapkeun dina widang naon waé.“Kalebet dina kapamingpi -nan,”pokna.

Mémang, cenah, dirina gé teumeung peun carang, dina mangsa ki-wari mah, para pamingpin téh lobanu nguciwakeun rahayatna. “Tapi,tetep kedah gedé haté, margi seueurkénéh pamingpin anu leres-leresngabdikeun diri demi kapentinganmasarakatna,” ceuk ieu anggota DPRRI ti daérah pilihan (Dapil)Sumedang, Majalengka, jeung Su -bang téh.

Napak kana BudayaRahayat butuh kanyaah paming-

pin. Kitu téh, lantaran rupa-rupawidang kahirupan masarakat, enas-enasna mah diurus jeung diatur kuparapamingpinna. Hartina, hirup-huripna masarakat téh bakalguman tung kana pasipatan ogé ka-

mampuhan pamingpinna. “Budayatiasa ngawangun karakter paming-pin,” pokna tandes naker.

Kitu deui budaya Sunda, ceuk ieuteureuh Bandung nu lahir taun 1962mah, kacida hadéna keur ngawangunkarakter pamingpin téh. Lantaran,budaya Sunda nu mangrupa ‘acining’pipikiran jeung pangalaman urangSunda ti mangsa ka mangsa,nyésakeun padika hirup nu mun di-paké ku urang Sunda tangtu bakaljadi cukang lantaran kamaslahatankeur balaréa.

Dina nyorang hirup jeung kahiru-pan, kahadiran pamingpin perelu.Ngan, nu kumaha ari pamingpin anuhadé téh? Nurutkeun H. YusyusKuswandana, SH mah, nya teu bédati pasipatan atawa karakter ‘insanutama’. Tah, éta pasipatan téh ku ieupingpinan DPD P3S GagakLumayung mah, diringkeskeun jaditujuh karakter, daék babakti, jiwakarayatan, ngabogaan sumanget ka-pahlawanan, sikep nagarawan, jem-bar wawasan kabangsaanana,tuladeun, jeung taat kana aturan.“Pamingpin mah kedah ngutama -keun kapentingan masarakatna,”pokna.

Pasipatan pamingpin, ceuk ieu

pulitisi ti Partey Demokrat téh, kudumampuh mekarkeun potensi nunyampak di masarakat. Tangtu,cenah, dina nyumangetan masarakatgé, éta pamingpin téh kudu apal kanabudaya masarakatna. Lantaran, nyabudaya téa nu baris nguatan ajén-ina jén hirup masarakat.

Kang Yusyus percaya, rupa-rupakagiatan budaya, boga mangpaat nulain ukur témbong dina ragabadagna. Saperti, ‘baris-berbarisna’tentara, apan lian ti némbongkeunkakuatan téh, ogé ngawangun pasi-patan nu teuneung tur ludeung ogéreueus kana korpna. Tina ngabarisbérés téa, bakal témbong rupa-rupakarakter ti masing-masing tentara nuasalna ti rupa-rupa bangsa jeung na-gara.

Nembongkeun kakuatan, ‘ showof porce’, kacida pentingna keur ma -sing-masing sélér bangsa ogé. Matak,teu sing anéh, upama umumna na-gara-nagara maju mah, féstival-fésti-val téh geus jadi kabiasaan. Lantaran,ku cara kitu, masarakat téh, lain ukurmintonkeun hiburan, tapi deuingawangun pasipatan gotong-royongnu saterusna mah némbongkeunkakuatan jeung kadigjayaan kabangsa séjén.

Manglé 24576

TTamu

Metakeun jurus ngahudang kaleudeung urang Sunda Ngeprak balad, sina nyaah kana Sunda

Kumaha ari penca silat? Ceukpupuhu Gagak Lumayung JawaBarat mah, kakuatan keur ngawa -ngun kamandirian, ogé kadigjayaantéh nyampak pisan. Lantaran, cenah,ieu seni béla diri téh, kaasup kumpilt,ngawengku olah batin, olah pikir,olah rasa, jeung olah raga!

Hirup jeung NgahirupkeunKakuatan lokal, ceuk H. Yusyus

mah, kudu tuluy-tuluyan dipiara turdimekarkeun. Tangtu, cenah, butuhpanalinga jeung kanyaah balaréa.Saperti nu tumali jeung budayaSunda, sawadina jadi panalingaanpara pamingpin boh nu mancéngawé di kabupaten/kota boh nu dipropinsi. “Sakur pamingpin di JawaBarat kedah gaduh kanyaah kana bu-daya masarakat Sunda,” pokna.

Upama téa mah, para pamingpinboga kaengeuh kana budayamasarakatna, mémang lian tikawajiban ana salaku pamingpinmasarakat, tapi deui tumali jeungtugas na dina ngalaksanakeun un-dang-undang atawa aturan anunyampak. Apan, padika miara bu-daya gé jinek naker aya réngkolnadina undang-undang.

Upaya miara jeungngamekarkeun budaya Sunda kiwari,mémang teu gampang. Lantaran,beuki dieu pangaruh dengeun gé

beuki mahabu. Teu jarang, boganasorangan mah kaluli-luli lantarankasilih ku budaya deungeun.Balukarna, budaya-budaya talarikaruhun téh mingkin katélér-télér.“Dina kaayaan sapertos kitu, tangtoskedah aya tarékah jinek ti masing-masing pihak,” ceuk H. Yusyus.

Dina némbongkeun kanyaahna,Yusyus mah, mémang teu ngansaukur lalambé. Karesepna kanapenca silat, ditularkeun ka balaréa.Apan, ieu ‘inohong’ GagakLumayung Jawa Barat mah, remenngeprak balad-baladna ngayakeunrupa-rupa kagiatan. Kituna téh,mayeng saban taun aya kagiatanrongkah nu diiluan ti saban kabupa -ten/kota ti Jawa Barat.

Geusan némbongkeun ajén diri,pihak Gagak Lumayung gé, bogakarep ngayakeun ‘parade’ jurus nubaris ngumpulkeun anggota sapuluhrebu urang. “Urang catetkeun dinarekor MURI,” pokna.

Upaya kitu ogé, salah sahijingahudang kareueus urang Sundakana budayana. Lantaran, saperti nudisebutkeun di luhur, tina ngumpulbabarengan, ngayakeun kagiatanbabarengan, gotong royong, bakaltimbul rasa reueus nu baris karasa kusakumna sélér bangsa.

Upama H. Yusyus Kuswandanakacida engeuhna kana budaya, mé-

mang lantaran di dinya icikibungna.Ti bubudak gé, ngarasa budaya lulu -hur téh, jadi bandana nu kudu di -piara tur dimekarkeun nepi ka jaga.Patékadanana kitu, ogé lantaranluang jeung pangalamanna nu remenngider saban daérah ogé sabamanca nagara. Pancén gawéna jadianggota DPR RI nu ogé biasa jadinara sumber dina Opat Pilar Ke-bangsaan, Pancasila, UUD 1945,Bhineka Tunggal Ika, jeung NKRI,kanyaahna kana budaya sorangantéh beuki ngandelan. “Yakin upamimasing-masing napak kana budaya -na, urang tiasa langkungmajeng,”pokna.

Lantaran, masing-maisng sélér géboga kapunjulna. Tah, éta kaunikantéh bisa dimekarkeun, bisa di-jadikeun lahan pangupa jiwa keurnyumponan kahirupan sapopoé.Cindek na, geusan ngahontal hirupjeung huripna.

Saperti tina penca silat, ceukKang Yusyus bisa tumuwuh rupa-rupa karancagéan. Upama pagela -ran, féstival, ogé pitonan-pintonan,ilaharna bisa diiluan ku kagiatan-ka-giatan séjén. Tina seni atawa budaya,saterusna mah bisa muka lahankasab masarakat, saperti nu tumalijeung sandang, ogé kulinér has ma -sing-masing daérah. ***

(Ensa/Nay)

7Manglé 2457

Ngeprak balad, sina nyaah kana Sunda H. Yusyus sareng sareng balad-baladna

trasi. Sanggeus cumpon pasaratannu ditangtukeun ku komisi pemili-han umum (KPU), calon téh bogahak ‘ngembarkeun’ dirina yén inya -na téh calon legislatif.

Najan kitu, ditilik keur kamasla-hatan balaréa, ceuk Soma Gantika,pamingpin gé kudu jinek jeng -lengan ana, lain ukur bisa nyumpo-

nan pasaratan administrasi, tapideui napak kana titincakan ana dimasarakat. Hartina, apal jeungwanoh ka masarakat ogé lingku -ngan katut budayana.

Satutas milih, hak metakeunkakawasaan, aya di pamingpin nukapilihna. Sora rahayat nuditepikeun dina bilik sora (TPS),

Manglé 24578

LLaporan

Ukur bubulanan deui waktu -na milih pamingpin téh.Ngan, najan rahayat bebas

milih, tangtu we kudu puguh milih -na. Aya pasaratan anu jineksangkan teu kaduhung ahirna.Naon tea pasaratanana téh?

Pilihan umum lima taunan, geusnyantek. Hartina, masarakat téhkudu geus tatan-tatan tur tataharnangtukeun piliheun. Da, najankumaha waé babak anyarkakawasaan pamaréntahan téhlahan harepan balaréa. Nya tidinya, tina pilihan umum téa, rupa-rupa rarancang kahirupankanagara an ditataharkeun. Tujuan -ana, geusan ngahontal harepanbalaréa, sangkan hirup pinanggihhurip. “Ulah kaduhung ahirna lan-taran bongan milihna asal milih,bongan ‘ukur sadaya-daya kumahasaéna abdi mah ngiringan’. Tah,sumerah taya ketak nangtukeunpilihan anu bener, tangtu wé ahirnamah matak kaduhung,” ceuk Drs.Soma Gantika, M.Si., DosénFakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Poli-tik (Fisip) Universitas Pasundan(Unpas) Bandung.

Upama Soma Gantikaneueulkeun harepan kapilihnapamingpin téh ngaliwatan nu rékmilihna, mémang lantaran di dinyahuluwotanna pamiangan ayanapamingpin téh. Da, mémang kitukatangtuanana, ceuk undang-un-dang atawa aturan anu nyampakgé. Tina pilihan pamingpin téa,saterusna mah, bakal aya jalma-jalma nu meunang kapercayaan timasarakat pikeun mingpin téa.“Kumargi kitu, piliheun téh kudujinek,” pokna.

Ngalarapkeun UkuranDina sistem démokrasi, hak

milih jeung dipilih ditaangtayu -ngan ku undang-undang. Da mé-mang kitu aturanana. Hartina, sahawaé gé bisa jadi calon legislatif asalnyumponan pasaratan adminis-

Milih PamingpinUlah Kaduhung Ahirna

Soma Gantika, Dosen Fisip Unpas

bakal loba rambat kamaléna. Kulantaran kitu ceuk Soma Gantika,milih téh kudu dumasar kanapangimeutan anu ‘jujur’, ogéditimbang-timbang dumasar kanakabutuhan masarakat sakumna.“Intina mah, milih pamingpin nunyaah ka rahayat, nu mampuhmatéahkeun poténsi rahayat, ogéapal kana kereteg haté masarakat,”ceuk ieu dosén nu aktip diPaguyuban Pasundan téh.

Milih-milih rabi, mindah-min-dah rasa, ceuk kekecapan kolotmah, sangkan nu kapilih teunguciwa keun. Apan, cenah deuihsing asak-asak ngéjo bisi tutungtambagana. Atuh, lobana piliheuntéh kudu ngabuahkeun hasil yén nukapilih téh nu pangmerenahna keurmasarakat nu marilihna. Saha tea?Taya lian keur urang Jawa Baratmah, nu penting téh boga paming-pin nu napak kana budayamasarakat tatar Jawa Barat atawamasarakat Sunda.

Sual ukuranana, kari nimbang-nimbang para calon jeung ukuran -ana. Apan, ceuk urang Sunda mah,pamingpin téh kudu masagi,hartina loba pangabisana, punjul timasarakat nu dipingpinnna deuih.Sual ukuranana, karuhun Sundamah geus boga ugeran. Jineknaker, nu kudu dipilih keur urangSunda mah, nu nyanri, nyunda,nyakola, tur nyantika. “Tah, éta

ukuran téh tiasa dianggo padikadina milih pamingpin,” poknatandes naker.

Upama ukur daék milih lan-taran kabita ku pamérna, mémanglain cara urang Sunda anu hadé.Lantaran, masarakat Sunda mahsamistina gé ngaheulakeun ajén

piliheun batan tinimbangan nuséjénna. Da, milih mah apan keurdangka panjang, lain saharitaeun!Kitu pok-pokan ieu KetuaPaguyuban Pasundan Cabang KotaBandung mah.

Dina mutuskeun piliheun, ceukpangajar di Fisip Unpas téh, kudungimeutan paripolah jeung lalam-pahan paracalon pamingpin téa.Para calon legislatif nu pating -rongheap ngawanohkeun diri ma -sing-amsing ka pihak nu rék milih,kudu kauji heula kamam-

puhanana. Lamun enya étapaming pin téh rék mawa aspirasiurang Sunda, atuh kudu apal kanakereteg haté jeung mamararas rasamasarakat Sunda.

Urang Sunda nu umumna taatkana agama, atuh pamingpinnamah komo, da kudu jadi conto téa.Padika ukuran kataatan kanaagama atawa ‘nyantri’ téa, kudujadi tinimbangan dina nangtukeunpilihan.

Ari tumali jeung nyakola, ceukSoma Gantika, da puguh hancagarapan pamingpin téh lain énténg-énténg. Sababab waktudisanghareup keun kana rupa-rupatangtangan nu mikabutuh pan-gaweruh jeung pangalaman. “Uku-ran nyakola, ogé teu meunang

dilalaworakeun,” ceuk ieu Pangu-rus Yayasan Pendidikan Dasar danMenengah (YPDM) Pasundan téh.

Butuh nu NuduhkeunAntara nu milih jeung nu di -

pilih, biasana gé aya pihak séjén.Rupa-rupa sesebutanana gé, bisaukur bobotoh, bisa oge ‘tim suksés’.Di antara nu jadi ‘panumbu’ caturnu bisa nyambungkeun antara duapihak téa, samistina aya nu bisajadi tuduh ‘jalan’ sangkan nu rékmilih teu kabobodo ténjo! Saha téa?

Ceuk Soma Gantika, sakur nunyaah ka tatar Sunda mah ‘wajib’ngajak jeung nepikeun uar panga-jakna sangkan nu daék milihkalayan dibarung kasadaran geusankamslahatan balaréa.

Da, mémang teu sakumnawarga bakal mampuh milih kalayanbener-bener ngalarapkeun padikamilih saperti tadi. Malah, bisa jadiukur milih, ukur lantaran pang-bibita, si calon téa. Tah, hadirnapihak-pihan nu daék nuduhkeunatawa umajak sangkan teu salahmilih, kacida pentingna. “Sadayanagé kedah ngiring tanggel walersangkan pamingpin nu kapilih saéajénna,” ceuk ieu Ketua BidangOrgani sasi Paguyuban pasundantéh. *** (Tim Mangle)

9Manglé 2457

Milih PamingpinUlah Kaduhung Ahirna

Waktuna milih binarung ku kasadaran

Manglé 245710

IImplik-implik

11Manglé 2457

Manglé 245712

NNyusur Galur

Minggu pengker seratan ngeunaan Seminar Gu-nung padang parantos dugi ka kronologiPanalitian Situs Gunung Padang. Urang lajeng -

keun bae kana kajadian taun 2010. Harita YayasanTurang ga Seta pigpinan Agung Bimo Sutejo mimitingedalkeun pamanggihna yen di gunung Lalakon So -reang jeung di Gunung Sadahurip Wanaraja Garut,Kolompok panaliti anu ngagunakeun metoda metafisiknu hartina ngagunakeun harewos gaib atawa wangsitlulu hur ieu, ngadeg taun 2004 DR.Nina Herlina Lubis tiYayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa Baratngxeskeun ka mangle.

Terus Turangga Seta ngawanoheun papanggihan -ana ka Wakil Gupernur harita Dede Yusuf 3 Maret 2011jeung mintonkeun hipotesisna di jurusan tambang ITB6 Mei 2011. Mangsa harita teh Staf Ahli PresidenBidang Bantuan Sosial dan Bencana Andi Arief nuru-teun Nina keur ngayajweun panalitian tumali jeungayana lini di gunng Sadahurip jeung gunung Lalakon.Duka naon kasang tukangna, Andi Arief saterusnangadegkeun TIM Katastropik Purba pikeun ngarojongpernyataanana yen sabada dilakukeun panaltian inten-sip kapanggih wawangunan bentuk piramida, lainpang luhurna bae tapi pangbadagna di dunya,pangkolota oge malah leuwih ti 6000 taun memehMasehi. Di Desa Sadahurip Wanaraja Kabupaten Garut. Katerangan Andi Arief ngeunaan ayana piramiddibantah ku para ahli geologi saperti pa Sujatmiko nungalakukeun observasi lapangan Januari 2011, eta duagunung lain piramid tapi gunung api purba nu geuspareum. Papanggihan Andi Arief ieu, dibantah oge kuKepala Pusat penelitian Arkeologi Nasional Dr.Bam-bang Sulystio anu ngeceskeun yen budaya urang mah

Situs Gunung Padang Gunung Api purba nu Geus Pareum

13Manglé 2457

henteu wawuh kana piramid, wanoh soteh kana pundenumpak-umpak atawa candi.

Gebragan ti Situs Gunung Padang

Diungkabkeun ka MANGLE ku pupuhu YayasanMasyarakat Sejarawan Indonesia Jawa BaratProf.Dr.Hj.Nina Lubis yen taun 2011 keneh, masarakatCianjur, Jawa Barat hususna, Indonesia umumna di -gebrag ku beja nu diembarkeun ku Tim KatastropikPurba yen di jero situs gunung Padang aya piramid anuumuma leuwih kolot batan piramid di Mesir, kitu pa-manggihna. Tim Katastropik Puba neruskeunpanalitian ana henteu paduli deui kana pangjejeleh tisakabeh pihak jeung masarakat sabudeureunana. Taun2012 Bupati Cianjur ngondang para pakar diantaranaProf.dr.Nina Herlina Lubis, M.S. (Sejarawan), Dr.BudiBrahmantyo (ahli geologi), pikeun nyaksian Tim AndiArief di pendopo kabuoaten. Mei 2011 Tim Katastropik

purba ganti ngaran jadi tim Terpadu Penelitian MandiriGunung Padang. Tim Andi Arief ngondang para pakardiantarana Prof.Dr.Hj.Nina Lubis (sejarawan), LuftiLoundri ti Balai Arkeologi Prof. Mandarjito ti UniversitasIndonesia, Dr.Bambang Sulistiyo, Kepala Puslitarkenasrapat di Bina Graha.

Prof Nina meredih sangkan panalitian dipingpin kuArkeolog senior, Prof. Mandarjito lain ku arkeolog mudaDr.Ali Akbar. Tapi kanyaraanana pameredih henteudicumponan. Prof.Mandarjito oge henteu diangkat jadiKetua Tim. Para pakar oge ahirna nolak diajakan babare -ngan di Tim. Tim andi Arief jalan terus migawe panalitiantanpa madulikeun kana kiritik jeung pangjejeleh parapakar arkeologi jeung geologi. Saperti Prof. SoetiknoBronto, Prof.Dr. Harry Truman Simanjuntak, ,Dr.Sudjar -miko. ahirna 34 panaliti nandatangan petisi anu disusunti poe Jumaah 26 April 2013 . Para pakar afiliasi dina ban-dera Ikatan Ahli Arkeologi Indonesia, Ikatan Ahli GeologiIndonesia, Kelompok Riset Cekungan Bandung jeungHimpunan Ahli Geofisika Indonesia . Lolobana ti parapakar ti Pusat peneitian Arkeologi Nasional (Puslit Arke-nas) Eusi petisi moratorium ekskavasi Gunung Padang .Para panandatangan petisi mupakat yen panalitin anu di-lakukeun ku tim Terpadu henteu ngawakilan lembaga for-mal anu saluyu jeung parentah umdang-undang nomer 11taun 2010 ngeunaan cagar Budaya (Indonesia).

Saterusna diembarkeun ku TTRM yen tanggal 11-12Mei ekskavasi rongkah nu ngilubiungkeun tanagasukarela masarakat Kulantaran kitu 9 mei 2013Wamendik bud Wiendu Nuryati ngondang para pakarpikeun rapat di Jakarta. Tujunna ngabentuk Tim PanalitiGunung Padang bawahan Dirjenbud Direktorat CagarBudaya . Datang kana rapat di jakarta 2 urang anggotaTim Andi Arief nyaeta Dr. Danny Hilman jeungDr.AliAkbar. Tim teu jadi dibentuk. Diberitakeun yen 18 Mei2013 Tim Abdi Arief presentase payuneun Presiden SBY.Saterusna 24 Mei 2013 Presiden SBY ngayakeun rapatkoordinasi ngbahas hasil papanggihan tim terpadu RiserMandiri Gunung Padng dipiluan ku Tim Terpadu di -pingpin ku nu boga inisiatipna nyaeta andi Arief, Sekr-taris Kabinet Dipo Alam, Mendikbd Moh.Nuh, MentriPU Joko Kirmanto Menperekraf Mari Pangestu, MentriLingkungan hidup Balthasar Kambuaya, Kepala BPNHendarman Soepandji jeung Gupernur jawa BaratAhmad Heryawan. Rempeg pisan para pangagung na-gara nu hadir teh. Hasil Rapat ; Tim Andi Arief dirojongkeur ngayakeun panalitian waragadna tina Dana AbadiKemendikbud . Tanggal 10 Desember 2-13 PaguyubanPasundan ngagelar seminar anu ngarekomendasisangkan panalitian Gunung Padang ku TTRM dieureun -keun (moratorium), eta acara mere informasi sejenngeuna an gunung Padang.*** (HRS)

Manglé 245714

MMunara Cahaya

Kiwari, muncul gejalangalélécé hiji basa, baringagul-ngagul hiji basa

séjén. Sakumaha sinyalemenUNES CO, di sakuliah dunya, ung-gal poé aya 7.000 (tujuh rébu) basanu tumpur. Pangpangna “basa in-dung” atawa basa wewengkon,balukar geus tara dipaké jeung taradipiara ku nu bogana nu ngarasareueus ngagunakeun basa séjén nudianggap leuwih nguntungkeundina sagala widang.

Padahal, rupa-rupa basa, kitudeui rupa-rupa warna kulit manusanu mibanda éta basa, mangrupaciptaan Alloh SWT. Minangkasalah sahiji bukti kamaha -kawasaanaNa :

Nu hartosna: “Dan di antaratanda-tanda kakawasanaNa,nyaéta nyiptakeun langit jeungbumi, rupa-rupa basa katut rupa-

rupa warna kulit aranjeun. Saéstu -na dina éta hal, aya pertandapikeun jalma nu ngarti (Q.s.Rum :22).

Béda-béda dina ciciptaanmahluk, warna kulit, golongan,kitu deui kabisaan, mangrupa jalanpikeun papada mikawanoh. Lainkeur sili poyok, sili hina,nyombong keun diri. Lantaran nupangmulyana mungguh AllohSWT , nyaéta nu pangtakwana(Q.s.al Hujurat : 13).

Merenahkeun hiji basa, leuwihistiméwa ti batan hiji basa séjén,bisa disebut ngahina kana ciptaanjeung bukti kakawasaan AllohSWT. Komo nepi ka ngamusnah -keun hiji basa katut bangsa ku

cara-cara licik tur biadab. Diantara na baé, mapaharékeun hijibasa sangkan teu digunakeun dinahirup kumbuh sapopoé, nyingkir -keun tina kurikulum atawa silabusresmi ambéh taya pangajarananadi sakola. Kitu deui ku cara nyieu-nan plang katerangan jalan, tem-pat, jsb.nu katénjo ku umum, kubasa nu teu dipikawanoh kubalaréa. Nepi ka ngahudang kesan“apartheid” jeung “rasis”. Tapi di-antep nerekab, taya kritik atawadioméan sangkan luyu kanakaayaan.

Ngulik basa jeung adat istiadatbangsa séjén, geus jadi kabiasaandi nagara-nagara maju. Tujuaan -ana, dina raraga ngalegaan amba-han ékonomi, politik, militér,budaya, jeung sajabana. Ari di na-gara-nagara karék mekar (berkem-bang) atawa nagara miskin, malahbasa sorangan diculkeun. Terushésé béléké diajar basaséjén,kalawan alesan pikeunngudag kamajuan. Tangtu baéngondang kaprihatinan. Tinim-bang maju, anggur mundur. Sababkaleungitan basa asli, komo “basaindung”, sarua jeung kaleungitanajén-inajén kalinuhungan tradisibudaya lokal nu jadi dadasar hirupkatut kahirupan ti barang gubragka alam lahir.

Dina Alqur’an jeung SunnahRasululloh Saw, mémang réaparéntah pikeun nyukcruk élmu

Ngahargaan jeung

Miara Basa SoranganKu H.Usep Romli HM

15Manglé 2457

pangaweruh. Alloh SWT barisngangkat darajat jalma iman numibanda élmu pangaweruh (Q.s.Mujadalah : 11). Rosululloh Sawnganjurkeun umatna pikeun terusdiajar, ti barang dina ayunan nepika asup kana liang kuburan. Malahmiwarang néangan élmu ka “nagriCina”. Éta paréntah diajar néanganélmu pangaweruh, éstuning henteudibarengan ku paréntah ngagantiatawa ngaculkeun basa nu geusmaneuh sapopoé ku basa nu barisdigunakeun di tempat nyukcrukélmu pangaweruhna. Malah didinya, aya isyarah, pikeun ngawasabasa-basa anyar sakaligusmertahan keun basa-basa nu geusdipibanda.

Pikeun meruhkeun sasamamahluk, diperlukeun basa. Komomahluk salian ti manusa, kayaningjin jeung sasatoan. Ku kituna, NabiSulaiman as., dipaparin mu’jizat kuAlloh SWT, ngawasa basa-basamaranéhna. Kekecapan maranéh -na jadi sarana instrospeksi pikeunSulaiman as dina nguatankaimanan jeung katakwaan kaAlloh SWT, sarta sukuran kanasagala ni’matNa. Kaunggel dinaQ.s.an Naml : 19, Nabi Sulaiman asngadangu hiji simeut nyarita kabalad-balana, sangkan geuwat-geuwat asup kana sayang, bisikaidek ku pasukanNabi Sulaimannu rék liwat ka dinya. Harita NabiSulaiman as, langsung sujud sukur,ngedalkeun du’a :

Nu hartosna : “Ya Alloh, papa -rin abdi ilham kanggé tetep suku-ran kana ni’mat Anjeun, nu kuAnjeun tos dipaparinkeun ka abdisarengindung bapa abdi, kanggémidamel amal soléh nu dipikaridoku Anjeun, sareng lebetkeun abdikalayan rohmat Anjeun, kana golo -ngan jalmi-jalmi ahli ibadah anusaroléh.”

Taya katerangan, Nabi Sulai -man As., ngaculkeun basa anjeun -na, duméh sibuk ngagunakeunbasa-basa jin katut sato héwan.Sabab Nabi Sulaiman As geus meu -nang anugerah Alloh SWT,ngawasa rupa-rupa élmu pangawe -ruh, boh ngeunan hukum, bohélmu-élmu séjénna. (Q.s. Anbiya :79).

Béda-béda basa teu ngahala -ngan lumangsungna amal soléhdeuih. Zulqarnain, hiji hambaAlloh SWT , nu meunang anugerah

kakawasaan wilayah ti masyriknepi ka magrib, manggihan hijisélér bangsa nu basana teupikahar tieun (Q.s.Al Kahfi : 93).Tapi komunikasi bisa dilalukeunku cara séjén. Nepi ka Zulqarnainbisa mantuan éta kaum ngungku-lan kasusah nu geus lila tumiba.Nyaéta serangan mahluk jahatYa’juj jeung Ma’juj. Nya Zulqarnainngawangun bénténg beusi campurtambaga, nutupan léngkob antaradua gunung tempat liliwatan Ya’jujjeung Ma’juj, sangkan teu bisa nye -rang deui (S.al Kahfi : 94-101).

Malah, beuki réa basa nudikawasa, beuki alus. Ulah kajadi -an kawas kiwari, miceun basa sora -ngan, boh basa nasional boh basadaérah, pédah lantaran nganggapbasa kosta leuwih poténsial mukaharepan kamajuan pikahareupeundina sagala widang.

***

Manglé 245716

BBalé Bandung

Deukeut ka Pemilu 2014, ino-hong Sunda saperti Ceu Po-pong, kitu deui Didi

Turmudzi, cumeluk supaya urangSunda daek aktip di parpul,ulah apilain kitu wae. Kulantaran cenah, munhenteu aktip di parpul, atuh urangSunda moal ngalalakon dina urusankanagaraan.

Ajakan kitu memang sawajarna,jeung memang sakuduna, kulantaranparpul pohara nangtukeunanajalanna pamarentahan. Upamanawae, nyusun undang-undang di lem-baga legislatip pan eta teh dilakukeunku anggota parlemen nu asalna tiparpul. Kitu deui lebah nyalonkeunpresiden jeung kapala daerah, apankudu ngaliwatan parpul. Cindekna,rea rugina mun urang Sunda henteuaktip di parpul.

Sanajan kitu, tangtu urang Sundaulah asal kitu wae aktip di parpul,atawa paling saeutik dina waktunapemilu daek milu nyolok tanda gam-bar parpul, saupama henteu dibeke-lan heula pangaweruh ngeunaanpulitik, hususna ngeunaan parteypulitik.Cilakana mun bolongor kituwae, atuh urang Sunda bakal saukurditipu wungkul ku parpul nu henteujelas adeg-adegna( ideologina). Keurnaon aktip di partey pulitik, mun seugparpul bieu malah nyilakakeunbangsa urang? Upamana wae, Golkardi mangsa Orde Baru, pan teu ayagadag lebah memeres nagara urangnu harita ngajalankeun sistem pa-marentahan otoriter. Eta geura, geuspuguh harita Pa Harto kungsingisara han anjeunna rek lengserkaprabon, tapi kunaon kalahkadisundu tan supaya nyalonkeun deuijadi presiden?Kunaon haritasakumna partey pulitik(Golkar, PPP,

PDI) teu aya nu ngusulkeun supayadiguratkeun dina pelita ka sabarahademokratisasi mimiti dilaksanakeun?Komo deui boga kawani ngusulkeunsupaya jabatan presiden diwatesananmah. Jajauheun kana kitu, nu puguhmah sumuhun dawuh wae. Tah, aki-bat parpul goreng adat saperti kitu,jeung deui tayohna mah adat ka -kurung ku iga nepi ka ayeuna, nya teuheran mun sawatara urang Sundaanti pati ka parpul.

Atikan Pulitik

Jadi, teu semet ajakan, tapi poharapentingna inohong Sunda ngagedur -keun atikan pulitik ka sakumnaurang Sunda. Ajak kaom akademisiti saban paguron luhur nembrakkeunka masarakat ngeunaan “peta bumi”pulitik Indonesia kontemporer,hususna di Propinsi Jawa Barat.Tembrakkeun ku naon partey pulitiknepi ka kiwari tacan kaala mang-paatna, naon kasakitna, kumahanyageurkeunana? Tembrakkeunkumaha ketak parpul di saban na-gara, boh di nagara liberal boh di na-gara otoriter. Jelaskeun sistem pulitikkumaha nu pangluyuna dilarapkeundi nagara urang.

Tangtu teu semet kitu, teu cukupmasarakat ngan saukur meunangpangaweruh ti kaom akademisiwungkul, tapi pohara pentingnatepung lawung oge jeung sakumnaparpul. Ayakeun, upamana, forum“bedah parpul” tempat masarakatbisa nalek pangurus parpul ti mimititingkat pusat nepi ka tingkat daerah.Lebah dieu, bakal kanyahoan engkeku masarakat kumaha kaayaan“mesin partey pulitik” saujratna.

Panalek kumaha nu perlu

ditepikeun ku urang Sunda ka sabanpangurus parpul?

Nya lebah dieu, masarakat bisanembrakkeun kapanasarananangeuna an partey pulitik ( ideologi,program, strategi ngahontal udaganjeung sajabana).Upamana wae,

1. Naon nu bakal dilakukeun su-paya dasar nagara Pancasila larapdina kahirupan bangsa urang?

2. Ari gagasan nagara Islamkumaha, kitudeui perda syariah?AriKhilafah kumaha?

3. Kumaha carana supaya bangsaurang bebas ngamalkeun ajaranagama na? Ngeunaan Suni-Syiah, kitudeui kahadiran Ahmadiyah,kumaha?Cik kumaha mereskeunkasus Sampang? Aturan ngadegkeuntempat ibadah kumaha?

4. Supaya korupsi bisa ditumpeskumaha? Supaya kader pulitik hen-teu kabaud kana korupsi kumaha?

5. Amandemen UUD 1945kumaha? MPR naha perlu dibalik -keun deui jadi “lembaga negara tert-inggi?”Ari GBHN kumaha? Nahaperlu diayakeun deui?Sistem pilkadalangsung kumaha? Naha perlu tuluydiayakeun, atawa kapala daerahmending dipilih ku DPRD wae?

6. Cik kumaha supaya sistem pa-marentahan urang jelas, ulah ieu mahparlementer lain, presidensial lain?

7. Naha kawenangan DPR perludiwatesanan, supaya anggota DPRulah ngajago “sampai tahap menjiji -kan” , kawas ayeuna?

8. Naon nu perlu diomean dinasistem Otda ayeuna?

Jeung rea deui masalah-masalahpenting tur “mendasar”nu perluditepikeun ka sakumna parpul.***

Karno Kartadibrata.

Nalek Parpul( Partey Pulitik)

Manglé 245718

CCarita Pondok

MaIjunukurnga-jawab ku

gideug semu-semu baeudbasa Eulis ngajakan kaBandung pikeun nyak-sian manéhna di wisudatéh. Eulis ogé teu bisamajar kumaha, sok sana-jan dina haténa hayangpisan wisuda téh katung -kulan ku ninina nu salilaieu ngaping ngajaringmanéhna.

Asa ngarasa salahduméh harita henteungagugu kana kahayang -na. Tapi da kumaha deui.Lain teu nurut lain nga -lawan, Eulis mah éstuhayang ngabuktikeunbener jeung henteunanaon-naon nu dituding -keun kana pakasabanninina téh.

Ma Ijun téh parajisohor di lembur Cikahu -ripan. Nelahna Ma Parajiatawa Ma Ijun, osok ogédi ema-ema. Ema saréréapikeun urang lelewekCikahuripan mah. Eulisogé nyasatna miindungpisan ka Ma Ijun téh,dadakuna mah ti keurleutik ogé Eulis mah diu-rusna jeung apétna téhka ninina. Ma Ijun ogénya kitu deui. Sok sana-

jan incuna loba, tapi kaEulis mah siga nu dispe-sialkeun.

Loba nu hayangguguru jadi paraji ka MaIjun téh. Tapi pikeun MaIjun mah élmu panga -weruh marajian téh teubisa sangeunahna dibi -keun kitu waé, teu bisasangeunahna dibagi-bagisiga kurupuk.

Sabab élmu paraji téhlain élmu sambarangan,tapi élmu pangaweruh nukudu bener larap jeungmakéna. Lantaran ieumah patalina hirup jeungpaéh hiji indung jeunganak.

Ma Ijun ogé bisamarajian téh lain kudipénta, tapi datang so-rangan ti ninina. Keurngorana Ma Ijun teu nga-hayang-hayang teu nga-harep-harep, malahkungsi embung sagalalamun henteu diolo jeungdilelemu mah. Lamunjalma nu boga bakat kanapiparajieun mah ku MaIjun katémbong. Tina tu-runanana, Ma Ijun ni -ngali yén ngan Eulis nubaris bisa nuluykeuntapaklacakna jadi Paraji.Sababaraha urang anak -na Ma Ijun ogé aya nukeukeuh hayang jadiparaji. Ku Ma Ijun teukatoong maranéhna baris

panceg jeung jejem jadiparaji.

Ti dituna mah kahartiloba nu hayang jadiparaji téh, bubuhan dilembur mah paraji téhpropési nu lumayannguntungkeun sacaraékonomi. Sabab lamunpareng aya nu ngalahir -keun téh teu cukup kusakali pas gubragna orokwaé, tapi ogé tuluy ngu-rus indung jeung mer-hatikeun tumuwuhnaorok nepi ka minimal 40poé mah.

Tapi pikeun Ma Ijunmah jadi paraji téh lainpikeun urusan matérial.Éta mah urusan nomerka sabaraha, da Ma Ijunmah nganggap yénmanéhna jadi paraji téhmangrupa panggero tinajiwana. Atuh lamunpareng aya nu ngala -hirkeun ogé teu masangtarip teu sing, malahmun dikeupeulan ogé sokkadon kéképéhan diulah-ulah. “Kadua Ema téhkuduna méré ka Nyaijeung nyecep ka orok, ieukalah rebo dibahanansagalarupa!” kitu basanaMa Ijun mah. Tapi lamunterus disusulkeun dian -teur keun ka imah mah,Ma Ijun ogé teu bisamajar kumaha, da étameureun rijki keur

manéhna.Salian ti jadi paraji,

Ma Ijun ogé ngawasaélmu ngurut. Ari élmungurutna mah kawaris kusalakina nu ayeuna mahgeus mulang kakalang -gengan sababaraha taunka tukang. Atuh lamunsakalieun aya tatanggananu misalah atawatipalitek mah Ma Ijunogé bisa. Mimitina mahlantaran salakina sokcarangkeul mun tosmencetan téh, nya diu-rutna téh ku Ma Ijun, datukang ngurut mah teubisa ngurut sorangan.Mindeng ngurutan salakinu tukang ngurut téh,jadi mawa bisa kana ngu-rut.

Teu jarang Ma Ijunogé manggihan orok nulahirna cacat, leungeun -na kompér sabeulah,suku béngkok jeung saja-bana nu aya patula-patalikana kasalahan tulang.Ma Ijun sok langsungngabebenerkeun. Lamunaya kaanéhan diorok nusarupa kitu mah kudusageuwatna dioméanbasana teh, mungpungorok kénéh, tulangna canteuas siga kolot.

Élmu paraji Ma Ijuntéh gubragna ka Eulis. Danu katingali ku Ma Ijunmah ngan Eulis nu bisa

Paraji ti CikahuripanCarpon Taufik Rahayu

19Manglé 2457

nuluykeun hanca gara-panan. Sok sanajan jul-jol nu hayang ngalapmiguru élmuna. Naon nukatempo ku panon batinMa Ijun moal bisa dibo-bodo.

Ti leuleutik ogé Eulismah geus dibawa wanterpikeun mantuan nininangurus nu ngalahirkeun.Lamun ceuk basa ayeunamah meureun “asisten”,Eulis ogé sok sanajan leu-tik kénéh, bubuhan bogateureuh jeung aya tu-runan atuh kacida gan-cangna ngawasabag-bagan pangaweruhparaji téh.

Ma Ijun teu weléhngomat-ngomat ka Eulisulah piduit, da dunyamah engké ogé nu-turkeun ku sorangan.

“Ema mah ku bisa nu-lungan ogé geus kalin-tang gumbirana, nulungkanu butuh nalang ka nususah geus jadi rumusanhirup. Élmu nu dipibogatéh lain keur diduitkeun,tapi pikeun diamalkeun.”Ceuk Ma Ijun dina hijiwaktu ka Eulis.

Lir gula panggih jeungpeueutna, bujang pa-panggih jeung wonojatuluy ngajodo. Eulis ogénya kitu téa, keur mahaya teureuh jeung teu-rahna, katambah ku pasi-patan Eulis nu resepdiajar jeung hayangnyaho kana hal-hal anyarngajadikeun lancar dinasagala rupana. Atuh élmupangaweruh jampé pa-maké Ma Ijun téh kabéhragrag ka Eulis.

Taun ganti taun,jaman robah jaman.Kahirupan modern nuasalna aya di dayeuh geusnyaliara ka lembur-lem-bur singkur, ka asup ka

lembur Cikahuripan.Nerekab béja pabéja-pébja –teuing ti manamimitina—nu nyebut -keun yén kagitan parajitéh kacida ngabahaya -keun ka indung jeungorok. Lantaran praktéknanu teu jeung élmumédisna. Ngan saukurngandelkeun intuisi,élmu buhun jeung doa-doa karuhun nu geus teumujarab. Kiwari mah nupayus dijadikeun indungbeurang téh taya lian tibidan, nu puguh jeungélmu médisna nu ayajanggélékna buku jeungpuguh répérénsina.

Abong béja. Téréhpisan nerekabna tur nepiogé ka ceuli Ma Ijun. Soksanajan kaitung wijak-sana, tapi teu burungngagidir ari ditudingpraktékna ngaba-hayakeun mah.Ma Ijun asadisapira -keun,élmu

paraji nu turun-tumurunti karuhun, nu geusngabaju ngaraga sukmadi masarakat, nu geusmantuan ngalahirkeunmangrébu-rébu jalma, tijaman baheula mula,sasatna nyolok matabuncelik. Élmu kedok-teran mah karék kamariieu, ari élmu paraji apangeus kauji ku waktu.

“Mun enya ngaba-hayakeun, meureun moalaya manéh. Ari ieu buk-tina manéh hirup,indung manéh ogéhirup kénéhlin?” kituceuk MaIjun kaEulis

hiji waktu.Eulis mah teu bisa

ngomong nanaon, ukurunggeuk-unggeukantanda sapuk sapama -degan jeung ninina.

“Bidan-bidan téh asakarumaki pisan,ngomongsakareping-

Nyambung ka kaca 40

Manglé 245720

CCarita Dua Bagian

11

AnginDésém-ber, ngo -yagkeundapuraneros dina

pot gedé hareupeun jandélabalkon. Kembangna numarun halon kaayunkeun.Eros kameumeut. Lakopnakandel siga buludru. Rajinkembangan, siga nu hayangmulang tarima pédah diurusdidama-dama.

Syal dibenerkeun, asatiris pisan. Tapi jandélahayang tetep muka, ngarahatra ka jauhna. TangkubanParahu nu ngajungkiringkatingali jeung parentulnawawa ngunan di handapeu-nana. Bandung nu beukiheurin ku tangtung, nepi kaunggal sikluk suku gunungdibebetah dijadikeun padu-mukan. Asa geulis pisantitingalian téh. Biasana mahsok pinuh ku haseup polusi,ayeuna mah katinga lihérang, katingali nepi kaléngkob-léngkobna.

Léptop dihurung keun,susuganan nu kamari kan-deg téh ayeuna mah nyuru-lung deui. Teu tenangdiudag-udag ku déadline tidiri pribadi. Novel teu bérés-bérés, kalah asa melag.Haroréam neruskeun.

Rot kana kopi, rapmasang héadsét. Ngong VinaPanduwinata “ SelamatTinggal Kenangan”. Teu lilaréma geus tuktek kana kibor.Kudu bérés ayeuna mah, pal-ing henteu ditamatkeun

heula. Kari nyarungsum ka-dituna mah. Obsési pisan,novel nu ieu mah hayanggancang medal. Hayang jadikado keur Ray, nu rékjatukrami bulan Pébruari.

“Nién, nuju naon?”Smsna tadi subuh nirilik.“kadé hilap nuang landong.Ray dinten ieu aya présén-tasi di kantor pusat.Doakeun suksés nya? Ayahubunganna sareng ke-naikan jabatan. Biasana doati Nién mah sok matih. Missyou!”

Bari ngetik, biwirngarenyu. Nyipta manéhna,nu tara tinggal tina hu-morna, tina isengna jeungtina kanyaahna. Manéhnanu salila ieu marengan ung-gal scene tina kahirupan. Timimiti balég tampélé nepi kadina sirah geus mimiti re-nung ku silalatu. Teu weléhaya, teu weléh ngaweuhan.

Dayagdag nyarandé, asarada nyesek ambekan téh.Héadsét diantep ngagegem-brung. Panon peureum. Bréhpéta dunya, Paris jeung Lou-vre, Granada jeung Al Ham-bra, Venesia jeung gondola.Tempat nu pernah kasabajeung lalaki nu dipikacinta.Dimana anjeun ayeuna, Ar?Naha teu inget ka nu nung-guan nepi ka huisan?

“Bodo Nién mah. Nu kituules ditungguan. Boa moalbalik deui, keureut ceuliucing mun si Ar datang keurdidinya. Tong percaya kaseniman. Cintana instan,loba cinlokna, loba bo-hongna, loba jangjina barikabéhanana bullshit!” Ma-rina sobat basa kuliah meniperténgtang. Omongan dua

taun kalarung, basa Ar ning-galkeun kuring sanggeus pa-heut dihijikeun ku tali pasini.Aya cingcin mata berlianjeung lukisan anyelir kayasnu ditinggalkeun, barengjeung haté nu beuki lilabeuki peurih..

Jul-jol nu datang.Ngawurkeun mamanis jangjijeung ungkara cinta. Nudibawa ku Mamih, ku dudu-luran, ku babaturan. Nepi kaRay pisan, kayid terus teranghayang mileuleuheungkeun.

“Keun wé apal modalogé. Urang nikah wé yu? Rayteu téga ningali Nién geringhaté.” Ngan dibales kugideug. Teu gampang mikac-inta téh. Teu bisa kitu waépipindahan ka unggal haté.Nyaan, teu bisa keur kuringmah.

“Nién, cenah aya jangjijeung Om Pri. Geura siap-siap atuh. Rék dianteur kuPapih atawa ku Mang Jana?”Mamih teu kanyahoan geusaya dina tétécéan hambalanpangluhurna.

“ Dé nyalira wé, Mih.Sakantenan aya péséreun kaBEC.”

“ Nya heug atuh, kadényetirna. Hariwang puguh,sieun ngadadak migrén dijalan. Puguhkeun ka dokter,iraha jadwal MRI-na.”

“ Moal lah. Insyaallah teunanaon da. Muhun, siganamah dipercepat wé. Tosampir teu kiat nyerina ayeu -na mah.” Soca Mamih neu-teup bangun ngungun. Lajunyampeurkeun, gabrug kanaawak. Teu kuhanteu kalahdimandian ku cimata.

“ Mamih ngadudu’a, ung-gal tas tahajud tas solat.

Manteng ka Allah, neda ulahaya nanaon. Sing teger.Turut sakabéh saran dokter.Padahal mending dianteurku Mang Jana, Mamih hari-wang.” Lah meni asa enyapisan jadi jalma geringnatéh. Kamamana teu weléhkudu dijajap. Ku Papih, KuMang Jana, ku Adri atawaku Réstu. Ngaririweuh. Damun teu kuat mah tarahayang indit-inditansakumaha perluna gé.Numpi wé di kamar ieu.Tempat nu ngahaja dibebe-tah ku Papih.

Cenah matak ngahaja di-pangnyieunkeun tempatngotrét nu husus téh ngarahkuring betah nyieun karya.Kuring nu popilér geus nam-bahan seungit kana ngarankulawarga.

Mézanine ukuran sapu-luh ka sapuluh. Teu makékamar, ngablag wé. Di salahsahiji juruna tempat tidurKing sizé tina bahan beusitempa disepréan ku saténdirendaan. Saur Mamih mahngarah ngeunah ngalamun -na ari keur ngotrétkeunungkara nu romantis...haha,aya-aya waé.

Lomari buku nu metet kuratusan judul novel, kumpu-lan carpon, kumpulan sajakjeung kumpulan fiksiminibasa sunda, genre anyar nukeur meumeujeuhna dipika -meumeut ku nu resep kanasastra. Sababaraha énsiklo-pedi, buku –buku agama,politik, hukum jeungékonomi nepi ka téhnologi.Mun lain kuring nu meulina,pasti Papih jeung Ray.

Lampu kristal ngagan-tung di tengah-tengahna.

Kalangkang TineungKu Tiktik Rusyan

21Manglé 2457

Cenah mah kaideuan kusalahsahiji carita dina car-pon kuring nu ngagam-barkeun mézanine siga kitu.Ah Papih mah kacida,deudeuh téh meni bébéakan.Abong ka anak awéwé hiji-hijina. Atawa pédah alesanlain? Da ayeuna mah munnyium kana tarang parengnaék rék ningalikeun kuringnulis téh maké jeung kataracarinakdak. Héadsét dilaan,laptop di standby. Bolay deuinamatkeun téh. Pirasababaraha lambareun deui.Novel kaopat nu asa pan-glilana digarap. Teu kalisku niis atawa indit so-rangan ka tempat-tem-pat nu aréndah. Ideu téhasa hésé pisan dité wak -na. Pikiran mindeng teumokus. Kosa kecap asalup-lep laleungitan. Nepika sering nge-blankpisan. Mindeng asaheneg, aral pédah kadie-unakeun mah asa héséhayang konséntrasi téh.Loba poho, loba teunyambung. Padahal tinalalampahan jadi novelis,nu tilu mah best seller.Acan carpon anu bacacartur rata-rata petingan.Jadi asa teu pantes munnu ayeuna kudu magoltéh.

***Om Priadi ngabe -

renyéh imut basa kuringasup. Jung nangtung,ngasongkeun leungeunnangajak sasalaman. Terusnunjuk kana korsi di ha -reupeun méjana.

“ Kumaha ayeunakaraosna? Landong tos sééppan?” Cenah bari leungeun -na mukaan map eusi med-ical record.

“ Skala nyerina naék,Om. Vertigo mingkin sering,katambih sok aya sebel.Sareng asa beuki hilapanbari sesah konséntrasi. BoaAlzheimer, atanapi demen-tia?” Om Pri neuteup radalila. Lengeunna eureun

mukaan medrec. “ Nanti kita lihat hasil

MRI. Teu tiasa kitu waé nga-diagnosis. Mung...” Ngareng-hap, terus nutupkeun map.“ah, tapi kita lihat saja nantinya? Oké, dua dinten ti aye-una wé, Kemis nya? Kitaambil tindakan. Teu nujusibuk pan?”

“Kaleresan henteu.”“Oké, rupina kedah rada

ngebut. Kumaha novelna tostamat?

“Teu acan. Nyaéta asa teutiasa konsén. Jabi sok nga -dadak lungsé. Dupi éta MRI

téh sami sareng CT Scan?”“Bénten, Magnetic Reso-

nance Imaging atanapi MRImah prosésna nganggo mah-nét. Pami Computerized To-mography atanapi CT Scanmah nganggo sinar X, radakaraos nyeri. Kanggo kasusNién mah, langkung saénganggo MRI, supadospencitraanna langkung aku-rat. Jabi langkung nyaman.”Om Priadi ningalikeun gam-bar sababaraha alat nu dise-butkeunana. Bulu pundukujug-ujug carengkat. Daenya gé teu boga kasang

tukang médis, tapi kuringapal alat ieu téh gunana keurnaon. Salila ieu kacurigaanteu nyoko kana hal éta. Teuhayang pesimis, teu hayangnégative thinking. Dibang-brangkeun ku nulis, ku aktifdina pagelaran-pagelaran.Milu saba sastra. Aslinahayang poho. Tapi ku rasanyeri nu teu katahan, ahirnaéléh ogé. Wani néang dokter.Kabeneran sobatna Mamihpisan. Om Priadi, ahli bedah.Konsultasi méh unggal usik.Nepi ka pamustungananakudu nepi kana proses MRI.

Kaluar ti rohangan prak-tek dokter, hp nirilik. Tele-pon ti Ray. Tadi geusjangjian rék maksi.

“ Tos bérés?” Soranangoncrang.

“ Atos. Ieu badê ka parki-ran. Kamana heula ayeuna?”

“ Tepang di Purnawar-man wé nya? Sanés badé kaBEC? Ké maksi didinya wé,oké?”

“Oké. Nién otw katékapé.”

Barang sup kana mobillaju ngahurungkeun mesin,sirah jol nyanyautan.

Paingan Mamih hari-wangeun. Da jeung enyana,karasa nyeri deui. Ngalieukgé ampir teu kuat. Mangkan-ing obat can ditebus. Mesindipareuman. Awak nyarandékana jok, duh... teu puguhrasakeuneunana. Moalpibalégeun mun kudu nyetirsorangan mah. Kop kanahapé.

“Ray, jemput wé kaDago. Teu kiat nyeri mastakadeui.” Nu ditelepon bangunreuwas. Nitah cicing, istira-hat dina mobil.

Boa bener panyakit téhsabenerna mah éta. Nudipikahariwang kusaréréa sok sanajan pa-pada teu betus. Teuhayang nyaritakeun.Jarempé, ngan nitahgagancangan wungkulkonsul ka dokter. Tapikarasa pisan, nu ngaba -retem téh ngemu kale-wang nu kacida. Sokkarasa aya kasedih, munpareng digabrug kuMamih. Mun kuring keurngalempréh katarajangmigrén. Adri jeung Restunu sok sagala merhati -keun. Sagala keur Tétéh.Nganganteur munpareng salsé. AtawaPapih nu ngahajanunggguan kuring nulisbari maca buku na sofa.Sok bari ngarérétan tinaselang-selang maca téh.Bangun lewangeunnaker.Sababaraha jongjongan

peureum bari ngararasakeunkanyeri. Boa moal lila deui...

“Nién sayang...” Sora nuhalon ngagilisir kana pang -reungeu. Panon muka, Raykeur neuteup bangun hari-wang. “Tong cios ka BECatuh nya? Uih wé. Yu dija-japkeun. Mobil mah ké di-candak ku Mang Jana, taditos ditelepon.” Leungeunnangusapan kana sirah bangundeudeuh. Karasa pisankanyaahna. Weningna lir caitalaga nu ngagenyas hérang.Ray, kanyaahna teu ka-

Manglé 245722

tumpangan ku cinta, moalmatak patah hati, moalnganyerikeun. Nyaah siga kadulur pet ku hinis. Nu miluceurik mun kuring ceurik,milu tunggara mun kuringdikakaya.

Nepi ka Imah. Mamihbangun nu keuheul pisan.Pok deui pok deui nganaha-naha bet indit sorangan.

“Matakan tadi teh di-anteur ku mang jana, sok be-degong da,” cenah bari cegkana obat nu geus ditebus kuRay. Song dibikeun jeungcaina. “Kedengkeun wé,Nién. Tong waka tulas-tulis,boa sawaréh tina radiasilayar monitor. Eureun heula.Reus wé tong loba pikiran.”Teu ditémbal. Da kitu Ma -mih mah mun aya kahanjelutéh sok terus wé néngtéréwé -lang.

“Geura uih deui ka kan-tor. Nién mah teu nanaonda.” Nu nyimbutan barimemener bantal imutdeudeuh. Nyepengan kanadampal leungeun.

“Tong ngahariwangkeunatuh, Geulis. Pami kieu waéRay moal tenang. Sok geurabobo. Ké wengi dilongokdeui.”

“Nuhun, Ray. You arethe best...” Ray imut, nyiumkening terus ngusap kanapipi.

“Dikantun...sing tibra.” Moal bisa tibra. Nu

nyanyautan dina sirah jeungdina haté beuki karasa an-tebna. Ar, anjeun dimana?Ieu Nién keur sakarat. Nahateu nepi geter sono, geterkanyeri ieu kana haté an-jeun? Kapan cenah nganhaté jeung haté nu nepung -keun sakabéh kereteg asihnu nyaliara. Atawa saben-erna anjeun geus euweuhdidinya? Dina galeuh sa nu -bari nu teu weléh micang-cam? Anjeun geus hiberjauh, lain ragana wungkul,tapi jeung haténa nu kungsidititipkeun sangkan dirumatnepi ka sirungan.

“Kapan haté mah tosdikantunkeun dina hateNien. Keun raga mah tiasanyangsaya dimana wae.Kapan Nién terang Ar mahteu resep katalikung. Singpercanten.” Sms na nu pa-mungkas samemeh ngahi-ang. Nepi ka ayeuna euweuhraratanana. Lain teu hayangmapaykeun, tapi teu kapalu-ruh. Siga tilem diteleg kumangsa nu teu nyata. Leun-git tanpa lebih, ilang tanpakarana.

Nien satia kana cinta.Bari asa beurat ku jangji rékngarumat haté anjeun. Lainperkara gampang keurmupus sagalana. Waktu nugeus diliwatan ku urangduaan, teu bisa kitu waédibaékeun. Aya rasa nukacida antebna nepi ka teubisa pukah, hayang tetepmikanyaah. Teu paduligogoda sakitu noyégna.

Ayeuna, dina kaayaanlewang dirobéda kahariwangku panyakit, nu satia kalahkaRay. Sobat urang. Lain an-jeun, nu sakuduna mah ayadidieu méré kakuatan. Méréénérgi sangkan Nién waniberjuang ngalawanna.

Dimana anjeun, Ar? DiSaint Tropez, ulin di basisirjeung Brigitte. Cinta mung-garan nu teu bisa dipopo-hokeun? Atawa geus diNashville, laju ka Los Ange-les? Ngudag impian nuleuwih gedé mananngahénén dina haneutna ka-tresna ti Nién? Teu nanaon.Nyaan moal dihalangan, tapidatang heula kadieu. Jadiheula satria nu wani balakanyebut teu butuh deui kucinta.

Sataun ieu Niénngararasakeun kanyeri nutaya papadana. Diganggay-ong ku panyakit nu cankaruhan naon ngaranna.Tapi teu weléh-weléh ayawaktu keur anjeun. Ngahiapngagupay, sugan inget kanajangji. Sugan aya saeutiktanggung jawab keur méré

kacindekan. Nién moalmaksa, da cinta mah moalbisa dipaksa. Tapi béréskeunheula ieu rasa. Bawa deuihaté anjeun anu kungsi diti-tipkeun. Sakali deui, Niénhayang anjeun datang, gen-tle menta hampura bariwakca geus teu mikacinta.Gampil pan?

22Om Priadi ngahaja

datang ka imah. Poéminggu ngarah keur

ngumpul cenah. Aya nu rékditepikeun. Kabéh siap, kaa-sup Ray nu datang ti isuk-isuk miheulaan Adri jeungbojona. Réstu gé ngabolay -keun jangji jeung bébénana.

Ngariung di tamantukang, dina gazébo nu legaluhureun balong. Tidinyaatra kana balkon tempat kur-ing mun keur nulis. Pantojeung jandelanana nu teuweléh muka, jeung vitrase nugegeleberan katebak anginciri mun kuring keur teu ka-mamana. Digigireun gazéboaya tangkal flamboyan nukembangan. Burahay mawahégar.

Ngobrol can ngaleunjeur.Lolobana heureuy. Dariamun ngomongkeun pulitik,karesep Papih. Da puguhguru besar ilmu politik. Atuhkabéh gé ngan bisa semetngalokan. Lalawuh nu eu-yeub jeung citéh haneutmaké gula batu marengan ri-ungan nu siga macang -krama.

Sanggeus sababarahajongjongan, Om Priadingarongkong kana tasna.Ngaluarkeun léptop jeungmap plastik. Kabéh jem-pling. Ieu nu bakal jadigoongna. Kabéh nungguanbari mencrong ka nu keurngahurungkeun léptop jeungmukaan berkas. Teu Lila OmPri melong ka kuring, terusmapay ka nu diuk hémpakbari panasaran.

“Ieu hasil MRI, hasilbiopsi sareng hasil lab.”Ngarénghap, terus malikeunléptop sina katingali kusaréréa. “ Ka orang-orang numengerti, nu berpendidikan,hasil sapertos kieu memangkédah didugikeun saayana.Margi biasanya openminded dan tidak émosional.Diagnosis yang sudah dite-gakkan, Glioblastoma Multi-forme. Langka pisan, but ithappened to you, Nien.” OmPriadi muka kacamatana.Neutep anteb pisan. Geusbiasa deui meureun,nepikeun hal nu pikasieun -eun ge ekspresina datar.“kanker otak stadiumempat,” cenah, sorana radalaun. Mamih ngajerit,nyangsaya dina rangkulanPapih. Ray nangkeup kanaawak nu ngadadak leuleus.

Tapi , sing demi teuhayang ceurik, geus euweuhpiceurikeun, salila ieu geusdiambéng unggal karasanyanyautan, unggal asa dite-ungteuingana ku Ar nu teuméré iber. Asa leuwih aluskieu. Ngarah téréh lastari.Panyakit nu kieu panggam -pilna mapag pati.

“Itu bad news-na. Ayagood news yang bisa mem-buatmu bertahan. Radiogra-phy , for the first step. 5sampai 8 minggu. Pami teumental, dilteraskeun ku ke-moterapi. Don’t worry, youbeing a survivor.” Om Priadideui-deui nyaritana tatag.Teu siga-siga keur nepikeunhiji hal anu beurat tur piba-hayaeun. “éta matakna OmPri teu hariwang. Seueur nukatulungan. Asal énggal di-tangani. Kita takkan kehilan-gan apapun jika mampuberkejaran dengan waktu.So, let’s make a plan.”

Tidinya dimimitian jad-wal radiography. Piligenti nunganteur. Nu daratang milusungkawa. Nu ceurik mang -karunyakeun. Gering numatak lewang. Kana taneuhkuburan boa ukur

23Manglé 2457

sababaraha léngkah deui. Dasaha nu ngajamin bakal bisasurvive.

Mindeng ceurik dina sim-péna peuting mangsa waktungagayuh ka janari. Bari mak-sakeun manéh ngetik, hayangméréskeun karya panungtun-gan méméh palastra. Hayangjadi monumén asih keur Ray.Sobat nu kacida satiana.

Buuk nu geus maruraganti méméh didiagnosa, kiwarigeus mingkin ipis. Épék radi-ography geus mimiti karasa.Sebel, jeung leuleus. Otakhésé dibawa mikir. Naha bettumiba ka diri? Sakabéh nuceuk batur sampurna horéngdipungkas ku jadi wadalkanker otak. Siga nu rék sam-purna pisan hirup téh. Ngora,sohor bari térhormat. Tapikudu jadi tawanan cinta jeungkorban kanker. Kudumungkas kahirupan kukasedih.

Pati... maot, kecap nu taraieuh aya dina pikiran. Salilaieu asa rék lila nyeu seupmadu kahirupan, asa rék teruslaju kana umur limapuluh,genepuluh, tujuhpuluh nepika dalapanpuluhan sigaÉyang. Jagjag kénéh nepi kaayeuna. Tapi geuningan dinaumur karék nincak tilupuluhdua geus dicandet ku glioblas-toma.

Keueung...asa hareup eun,asa isuk rék ninggal keunkaraméan. NinggalkeunMamih jeung Papih nu kacidadeug deuhna. Adri, Réstu. Ray...Ar? Ah, baé Ar mah, men -ding gé ditinggalkeun. Sinakaduhungeun bongan geusngalalaworakeun. Lalaki teubener, teu tigin kana jangji.Teu tanggung jawab...han-jakal kuring kacida bogoh kamanéhna.

Ngangin bari mencrongpurnama nu gumawang. Tinakorsi di balkon, ngeueungngan dibaturan ku DyingYoung tina stereo set. Loba nucan kaasaan. Tempat- tempatnu can kasaba. Kahayang nucan kasorang jeung pasini nucan ngajadi. Kabéhannana pe-unggas di tengah jalan. Teukarasa cimata merebey. Mun

aya Ray mah pasti digeubig-geubig taktak téh. Teu meu-nang cengeng. Ceurikmeunang tapi ulah pondokpangharepan. Kudu daékngalawan, da loba nu bisangéléhkeun kanker mun dayajuangna kuat mah.

***Isuk-isuk Ray geus

datang. Siga aya nu rékditepikeun.

“Nién, Ray tos ngabo-laykeun acara sasih pébruari,”cenah. Kuring hareugeueun,reuwas pisan.

“Naha? Kunaon Ray? Di-undur atanapi dimajukeun?”

“Dipundurkeun kana wak-tos nu teu tangtos iraha-ira-hana.”

“Maksadna?”“Ray hoyong ngaréncan-

gan Nién. Salamina. Atanapipaling henteu dugi ka séhatdeui.”

“Har..naha dugi ka kitu.Kapanan hal éta mah teukédah ngaganggu kanakahirupan pribadi diri mu..ih.Bébas wé. Naha maké kédahdipénding. Karunya ka Anggiatuh. Tong kitu ah. Saatnyamembahagiakan dirimu,Ray.”

“Ray tos ngabébaskeunAnggi. Please, tong naros ku-naon.”

“Ray?” Kuring gogodég,weléh teu ngarti. “badé nuru-tan Ar? Janten lalaki nu jalirjangji? Ngabedokeun kanaacara nu tos paheut siga kitu.Nién teu satuju, apapunalasannya!”

“ Anggi nu bendu, timbu-ruan. Ti kawit Nién dina per-awatan, hubungan tos teu saé.Ah, tos teu kedah dibahas.Ayeuna seluruh waktuku un-tukmu.” Leungeunnangaranggeum kana réma.“Ray hoyong ngagentos posisiAr. Kénging?”

“ Aduh, Ray...tidak semu-dah itu. Cobi tingali, Nién siganaon ayeuna? Pias, dugul, ce-long, begang...I’m dying, Ray.Teu aya harep an..” Kuringcarinakdak. Sugan teh moalkadinya loyogna. Teukarampa saeutik ogé. Enya

Ray nyaah jeung béla pisan,tapi mun nepi ka kieu mahasa teu kacipta.

“Oké, Ray moal maksa.Tapi ti ayeuna kapayun, Raynu ngajaga Nién. Dina kondisikumaha waé.” Cenah baringoprék gadgetna. Song kakuring. Ti portal berita lang-gananana kabaca ,

Nge-jam bareng Slash,dream come true bagi Ard-hana. Seorang gitarismumpuni yang berhasil GoInternational. Kini Ar ter-gabung dalam sebuah grupBand besutan Sony Music.Dan selayaknyalah kita ikutberbangga hati, ketika seo-rang anak muda mampumeraih impiannya dan turutmengharumkan nama bang -sanya. Oke, good luck, Ar.Dan siapa tuh bidadaribermata biru disampingmu?

Teu hayang neruskeun.Gadget diasongkeun deui barileungeun ngeleper. Jajantungratug tutunggulan.Gustii...paingan poho kanajangji. Horéng manéhna geusaya dina dahan nu pangahirnarék naék kana pucuk daunpangluhurna. Moal ngajak nungaranna Nién, kapan dis-abudeureunana awéwéblondie nu panonna biru siapmeupeus hanaang na. Ceurikdina taktak Ray. Ngabu-dalkeun sakabéh kapeurih.Geus jelas ayeuna mah, eu-weuh deui tungguaneun. Argeus moal balik deui. Boa in-geteun kénéh ka nu dua taungering nangtungngalanglayung.

“ Please, forget him!” Raykekerot. “teu sakedahna Niéndikakaya siga kieu. Ké ayapromo albumna di Jakarta.Cuang udag. Mun perlu patu-tunggalan. Ray siap ngabélaNién. Tingalikeun wé!” Awaknu keur ambek karasangageterna. Teu kitu kumaha,Ray apaleun kumaha Arngungudag kuring ti keur ku-liah keneh. Ari geus beunangbari geus tunangan, ditinggal -keun.

Om Priadi kacirina hari-wangeun pisan. Enya gé teutogmol dibejakeun kumahaprogrésna. Tapi tina paro-manna jeung petana munngobrol jeung Papih, bisakabadé kumaha kaayaan nusabenerna. Karasa pisansagala nyirorot. Buuk mahgeus lénang, awak rangke-bong. Panon geus teu patiawas. Pangreungeu kacidangurangannana.

Leungit Niéna Noor Rah-mania nu ceuk batur mahgeulis, nu buukna panjangkandel. Nu awakna sampulur.Eta lahiriahna, geus ampir teunyesa, disasaak kanker otak.Nepi ka eusi pikiran oge lalau-nan laleu ngitan.

Remen pisan mun sara-pan isuk-isuk, soca Mamihcarindul. Duh, bet kalahngadoréksakeun ningan. Munkieu, asa hayang téréh-téréhpalastra. Geus euweuh ka-hayang berjuang. Geus leungi-teun sumanget. Geus bosenngadekul kudu ditérapi bariampir euweuh hasilna.

Ray beuki dokoh, unggalusik datang, ngabaturanatawa mangmawakeun sa-bangsaning kadaharan kare-sep kuring. Teu siriknadihuapan ngarah kuring daék.Da kapan geus ampir euweuhnapsu kana dahareun téh.Ayeuna mah sigana karinganti-nganti dawuh.Leumpang geus kudu dituyun.Mun hayang lila ngalong sokdiuk dina korsi roda. Ngarahteu kudu ngahésékeun nu dihandap.

Sirah nu dugul ditutupanku tiung. Geus teu hayangngaca. Da pasti geus teu man-grupa, masing Ray hayoh nye-but beuki geulis gé. Geulistimana horéng. Panon nucureuleuk cenah, ayeuna pastibuncelik ditambah ku celong,sakurilingna harideung balaskaracunan ku obat jeung in-somnia.

Hudang ti Jam tilu kénéh.Sanggeus tahajud jeung solatsubuh ngahaja nungguan balé-

Nyambung ka kaca 38

Geus kajadiandeui baé nucilaka lebahSasak Cihonjétéh. Peuting

tadi cenah Si Pandi jeung SiJana, baroncéngan kanamotor, gedebut labuh. Dua-nana kapaksa kudu dibawaka rumah sakit da taratu.Meujeuhna, tibeubeut satak-erna. Untung kitu gé teu nepika tiwas. Geus moal boa nungalantarankeun cilakana téhbongan borangan. Enya, bo-rangan ngaliwat ka lebahdinya da geus méh dua bulanurang Lembur Cihaur ibur,cenah lebah Sasak Cihonjétéh sok aya jurig nu cinekuldina tunggul. Teuing tunggultangkal nanahaon nu sidikperenahna deukeut sasaklebah Walungan Cihonjé.Demi éta sasak téh ayana dijalan antara lembur Cihaurjeung Cidadap. Padahal teujauh ti lembur boh ti Cihaurboh ti Cidadap, malah kaasupjalan hirup sapoé sapeuting.Tapi jelema téh pada-padasieun ngaliwat ka lebahdinya, pangpangna ti peuting.

Iburna béja sok ayadedemit nu cinekul dinatunggul téh satutasna aya ka-jadian nu matak ngageunjle-ungkeun, lain baé keur urangCihaur jeung Cidadap, malahnerekab ka mana-mana daapan disiarkeun dina tipijeung koran boh lokal bohnasional.

Enya, dua bulan katukang, urang Cihaur génj-long duméh di Walungan Ci-honjé, handapeun sasakkapanggih aya layon awéwé.Pakéanana rangsak, awakna

raca balas nublesan ku péso.Mang Toyib nu mimiti

manggihan téh. Harita,manéhna teu tahan hayangsetor. Turun tuturubun kalebak. Manéhna kacidareuwasna barang nénjo ayalayon awéwé kira umur dua-puluh lima taunan.

Éta awéwé téh lain urangdinya, tapi urang lemburjauh. Tayohna dipiceun ku numergasana ka Walungan Ci-honjé keur miceun salasah.Orokaya lalawora, dipiceunkitu baé da meureun rusuh.Kadieunakeun, sanggeuspulisi nalungtik saha-sahanaéta awéwé jeung saterusnaramé diwartakeun dina ru-paning média, kapanggihwéh jati diri éta awéwé nyaétapembantu rumah tangga.

Demi nu boga talajakdurjanana anak dunun-ganana. Si pembantu téh di-heureuyan ku anak lalakidununganana nepi karahimna aya eusian. Dumukkitu, si pembantu menta tan-jakan, hayang dikawin.

Orokaya si kasép cunihintéh batan daék tanggungjawab mah kalah malik nyé-gag.

"Moal enya aing kudukawin jeung pembantu!"

"Heueuh naha atuh nga-heureuyan?"

"Ah...da bonganna!"Cindekna mah si jalu nu

teu daék tanggung jawab téhkéképéhan. Si pembantukeukeuh ménta tanjakanhayang dikawin da meureunlamun colénak teu dikala-paan mah matak wirang dikolong catang.

"Lamun aing teu tang-

gung jawab?" ceuk si lalakiteu euleum-euleum, éstu tayarasrasan.

"Ah béjakeun wé ka kolotdi dinya atawa dilaporkeunka pulisi," témbal si pem-bantu teuneung. Tuman,kudu diwarah. Ceuk pikirna.

Nya ti dinya si budaklalaki téh ngayakeun tin-dakan. Manéhna api-api léahtur jangji rék ngawin. Haritakénéh ngajakan nepungankolot si pembantu réknanyaan. Tarumpak mobil.Di satengahing jalan, si pem-bantu dipergasa nepi ka ti-wasna, terus layonnadikunclungkeun ka Cihonjé.

Gujrud wéh urang Cihaurjeung Cidadap téh. Mimitinaukur ngaromongkeun nye-celéh kalakuan lalaki nu teudaék tanggung jawab, malahkalah dipergasa éstu tayaprikamanusaan pisan.

"Meujeuhna dihukumgantung gé," ceuk nu nyarita.

"Nya heueuh. Méméh di-gantung, si ontohodna peun -cit kuriling sing nepikasapat!"

"Karunya ka awéwénakami mah kudu nyorangnanasiban nepi ka kitu!"

"Salah sorangan bet daékdikoroméoh!"

"Taksiran lain diko-roméoh, pada-pada suka.Buktina pondok jadi orokpanjang jadi budak tah!"

Ger sareuri.Ramé wé pokona mah nu

nyarita téh. Na atuh teukungsi lila wangkongan téhjadi ngagésér kana babgerengna Sasak Cihonjé.Cenah aya nu ngawénéhan -keun sok aya nu cinekul dina

tunggul, terus kadéngé ceurikngawiwiw bangun kanyeny-erian. Tah béja nu ieu mahjadi beuki harus alah batangoong. Témahna kacida man-garuhan balaréa. Enya, sigaSi Pandi jeung Si Jana anulabuh tina motor bakatingsieun ngaliwat ka Sasak Ci-honjé.

Minggu tukang MangParta jeung Bi Piah, tasnempo nu gering ti Cidadapkapoékan. Padahal harita téhcan peuting-peuting teuing,kitu lah kira saparapat jamdeui ka adan isa. Bi Piahlabuh tikedewet kana sam -ping nu dipaké laka-léké.Nyaéta kalah lalumpat basanyorang Sasak Cihonjé téh dacenah sidik aya nu cinekuldina tunggul.

"Sidik aya nu cinekul,"ceuk Mang Parta.

Nya teu majar kumaha arikitu béjana mah balaréawuwuh beuki yakin.Temahna nya loba nu cilakaku polah sorangan. Pajah téhmoal néangan jurig nu cankaruhan, sidik nu sok cinekuldina tunggul téh arwahawéwé pembantu téa.

Kitu omongan balaréa,anging jalma nu imannawedel, anu teu gampang ka-pangaruhan ku béja nu ukurceuk jeung cenah. Siga RWAdun, manéhna mah teu per-caya kitu baé kana omonganjelema, masing Mang Parta dihareupeunana kungsi susum -pahan cenah teu nginjeumceuli teu nginjeum mata sidikaya nu cinekul, siga awéwé,buukna ngarumbay.

"Naha atuh lain ditanya?"ceuk RW Adun.

Manglé 245724

PPuridingPuringkak

Nu Cinekul dina TunggulKu Féndy Sy. Citrawarga

"Naaa...ari RW, kumahamun ngerekeb. Boro-borohayang nanya, sidik sieunmana lumpat gé, Bi Piah nepika labuh tikedewet kanasamping nu ngaléké," témbalMang Parta bari buluham-béléhém.

Lian ti RW jeung nunyaho kana bag-baganagama, Si Sarwati deuih nuteu kapangaruhan ku béjapikasieuneun kitu téh. Enya,Si Sarwati, awéwé gélo anusaenyana matakpikawatireun. Umurnasapantaran sigana mah jeungawéwé nu tiwas téa. Nasibnaogé sarua dinyenyeri kulalaki.

Bédana, Si Sarwati mahkanyenyerian duméh haritageus sapuk rék ka balényungcung, bébér layar tarikjangkar rék laki rabi. Kolotnageus cakah-cikih sasadiaanrék ngawinkeun, na atuhpisaminggueun deui rékkawin aya awéwé ngangaisbudak ngontrog. Cenahmanéhna téh pamajikanpisalakieun Sarwati anungakuna mah bujang kénéh.

Atuh puguh wé Si Sarwatingajenghok, saterusnakagegeringan, nepi ka gélona.Malah kolotna nepi ka han -teuna pisan, kaleleban kunasib anak. Sarwati gawénalanglang-lingling, saréna dimana waé, tapi barangda-harna mah sok padaméréanku dulur barayana jeung nuhaat. Mun keur jadi sok jejer-itan, laju ceurik ngadingdiut,geus kitu iirihilan. Hadénatara ganggu, anging lamunpadangaheureuyan sok malé-dog.

Ku kajadian aya layonawéwé téa, Si Sarwati mahteu nyaho-nyaho. Enya teukapangaruhan. Ngaranna génu teu jejeg ingetan. Munwalagri mah sarua baé jeungbalaréa.

Ku mindengna kajadiannu carilaka lebah Sasak Ci-

honjé, RW Adun kageuingatina keur nengtremkeunwarga sangkan ulah percayakana ayana béja nu can pasti.Najan enya Mang Parta geusyakin ningali aya nu cinekuldina tunggul, boa éta mahukur téténjoan.

Tapi keukeuh jelema téhleuwih pecaya kana omonganMang Parta batan RW. Atuhsaged RW Adun hayangngabuktikeun sorangan boanaon anu dicaritakeun kuMang Parta téh bener, najan

dina haté leutikna mah cang-caya.

"Aya proyék, rék ngilu?"ceuk RW Adun ka HansipOdoy jeung Hansip Ukat.

"Jih, puguh wé arékmah," témbal Hansip Odoy,gasik da proyék-proyék kitumah pasti piduiteun atuh.

"Proyék naon Pa RW?Hayu, asal puguh ieuna wé."Giliran Hansip Ukat nu ném-balan. Kituna téh baringadukeun jempol jeung cu-rukna.

"Proyék néwak jurig nusok cinekul dina tunggul

Sasak Cihonjé!" RW Adunngajéntrékeun. Nu duaanngembang kadu, laju silih pe-long.

"Ngilu hayu, moal ogékudu ngilu. Lamun henteusaragam hansip kudu diu-daran!" ceuk RW Adun,neukteuk anggeus. Teu majarkumaha antukna nu duaannurut da lebar ngécagkeunkalungguhan hansip mah.

Peuting éta hawa kacidatirisna da soréna tas turunhujan. Langit caang mueusan

da bulan geus némbongannajan ukur sapotong. Nutiluan tingkulunu muruSasak Cihonjé ninggalkeunLembur Cihaur. Ti jauhnakadéngé anjing babaung,nyengkatkeun bulu pundukHansip Odoy jeung Ukat.

RW Adun leumpangna tihareup, demi nu duaanpagégéyé siga jeung kabogoh,ramo-ramona pacantélpageuh, sieun papisah. Bulupundukna karasa tingsariak,bujur ngompod, késangbadag késang lembutkalaluar.

Anjog ka lebah Sasak Ci-honjé, nu tiluan mimitingeteyep.

"Ssssst...!" RW Adunméré tangara sangkan eu-reun. Gebeg, remeng-remengkatara dina tunggul tétéla ayanu cinekul, siga awéwé dabuukna ngarumbay panjang.Disingray-singray, laju disa-liksik.

"Hihihihi.......," cikikikseuri.

Ngadéngé kitu, HansipOdoy jeung Ukat ngagabrug

awak RW Adun bari jajan-tungna ratug kacida.

"Wé, hayu balik!" haré-wos Ukat.

Jurungkunung nu cinekulhudang. Gék deui diuk,cikikik seuri deui mataksawan nu keur ngintip.

RW Adun ngageubigkeunawak nu duaan. Keteyepngadeukeutan nu cinekul.Teu antaparah, kerewekditéwak.

"Hihihihi.......ampun Aa,ampuuun......!" Si Sarwatingagéréwék ampun-am-punan. ***

25Manglé 2457

CCarita Heubeul

Nepi ka golodog,Nyi Demangkakara ngo -mong, ari NyiPiah teu aya

rengkuh-rengkuh jiga rekmunjungan. Nyi Demang:“Kabeneran Piah, maneh ayadi imah, puguh kami ngahajaka dieu aya perlu. Jiga rekindit, geus dangdan.”

Nyi Rapiah: “Henteukaleresan, abdi parantos tikamari ngantos-ngantosgamparan. Mangga di lebetlalinggihna.” Bari ngareret kaSi Roda, “Lalaki mah padalalaki di tepas. Roda, pan-gakukeun Gan Ali, ari jeungnu salawon mah sok dalit,geura.”

Sarerea hookeun nga -denge omongan jeung nenjopepetaan Nyi Rapiah, pikeunjaman harita mah geus kai -tung pohara kasarna. Itu-ieusilih reret padeuleudeuleu be-ungeut, sasatna di golodogkeneh geus kacagap mama-ras.

Lantaran kagok asong,

kalacat sarerea arunggahsup-gek di patengahan nusakitu garenahna tur sareun-git ma tak hegar, sarerea ben-gong.

Teu nyalahan ijiran NyiRapiah téh. Nenjo pasang-peta imah téh, agan-aganhatena kincup, rumasakaungkulan pangaboga, dangarti, eta téh moal enyabawana Aom Usman, da diAgan Sari ge teu burung-herang kitu!

Geus ilahar mungguhjalma, ana rajeun téh wani kanu hina, nu malarat, nu laip,nu bodo, nu hengker. Ari kanu luhut kutana, gede dun-yana mah, beu ... ngulahek!

Nyi Rapiah henteuharumpay-harempoy atawapayangkad-poyongkod, tapibebas merdika pisan, diukdangah nyanghareupan sare -rea, ari Gan Ali daek teu daekkapaksa kapegung di tepas, tihareup disanghareupan ku SiRoda, ti tukang aya SiJobang.

Nyi Demang anu kakara

saumuran h arita nincakimah Nyi Rapiah sanggeuspindah ka dinya, kacida her-anna dumeh jiga sagala geussadia ti tadina, pok nanya:“Maneh téh ngahaja nyam-pakkeun kami, Piah? Kawasgeus nyaho ti tadina?”

Nyi Piah dangah: “Yaktoskitu.”

Nyi Demang: “Nyaho tisaha?”

Nyi Piah: “Ti unggaljalma.”

Sarerea kaget jeung asadiheureuykeun, tapi Nyi De-mang bisa keneh nahannapsu, pok nanya: “Ti unggaljalma kumaha, manehna ulahngaheureuykeun.”

Serengeh Nyi Piah seuribari ngadeuleu beungeut pa -ngiring saurang-saurang, di-papay: “Sumuhun, unggaljalma, ongkoh gamparanpisaminggueun deui ka badengontrog Si Rapiah téhsirikna teu uar-uar ka unggaljalma, yen palay ngabudal -keun bendu sing puas. Kiranglangkung saparona di atawisnu dicandak sasauran, pa ru -pulih ka abdi. Eta marginaabdi terang.”

Para pangiring, urutbareuheuheudeun jeungheran ti barang blus oge acan

leler, nejo pasangpeta imahNyi Rapiah jauh ti sangka ati,heug dipureleng ku pribuminu teu bangun arisin, ayeunangadenge omongan anu saki -tu ngagasrukna, atuh teukaur tengtrem pikirna. NyiDemang pribadi geus mimitisentar nenjo peta Nyi Rapiahbangun pohara ludeungnajeung omongan kawas teumake saringan téh, sajalan-tarahna bae. Nyi Demang:“Lamun enya kitu, manehtangtu nyaho kana maksudkami pang datang ka dieu?”

Nyi Rapiah (bari dangah,berlian dina madalion jeungpanitih pating burilak ban-gun milu ngadelekan); “Kan-tenan! Gamparan palaynyeuseul laklak dasar ka abdi,palay puas! Gamparan bademasrahkeun serat talak tisalaki abdi, pun Usman anujahat tea, memang ku abdidiantos-antos, malah bilihkedah digaleuh abdi parantossayagi piartoseunana,sabaraha?” Kusiwel leungeunNyi Piah ka handap eun sisipramedani gigireun ana, si-horeng ngaluarkeun pepetenleutik meunang ti awalnamula ngahaja neundeun didinya, pepeten perak wadahduit emas jeung barang per-

{ 26 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 245726

hiasan; jepret dibuka,tuluy ngarawu duit emassacanggeum, bro hareup -eun mitohana, keplaknepak samak: “Bilih butuhkanggo ongkos perkawis,pok sebatkeun, sabarahapalay digaleuh téh? Bilihanu nyandakna ti buikedah dibuburuhan,sabaraha kulianana, SiRapiah werat kenehmayar!”

Nyi Demang jeungpara pangiring, asup kanaparibasa: “Anjing ngudagdatang depa.” Nu tadinabangun galak arek nyon-trol teh,a ri jol bet brek baedepa, atuda tadi keneh gedi golodog, Nyi Piah mahgeus ngamimitian meu-peuh mamaras. Jadi ayeu -na teh sabalikna, lain NyiRapiah nu dikeupeul, tapi ibuUsman geus beunang ma-matihna, kapiheulaan cabar,da Nyi Piah, cek barudakayeu na tea mah radikal-revo-lusioner tandangna; buayagerot kitu.

Nyi Demang “undurtukang”: Enya ari rela mas-rahkeun surat talak mah, tapida kami mah teu boga kareppupuasaan.”

Nenjo anu undur tukang,Nyi Piah teu kireum-kireumnyeungseurikeun bangunngahaja ngalelewe; “Hihihi,kitu kutan saur gamparan.Sor ayeuna surat talakna,mana?” Ngomongna barigumeulis ngajangilek, nepi kaberlian dina ceuli milumeureudeuy cara nu milungera-ngera.

Para pangiring ari dibawagarihal kitu mah tara biasa,kawantu menak, mani balemkabeh, jaba ti Nyi Rangga,kolot perceka, nenjo adi beu-teung disedek bari digebot kuNyi Piah teh niatna mah nu-lungan: “Ke lanan Enok,alon-alon, Ibu mah sokreuwas ari pating jaleger kieuteh.”

Kakara ge sakitungomongna, Nyi Rapiah geusnempas: “Nuhun gamparan

aya kapalay alon-alon, da etadina urusan kieu mah nualon nu ngompod teh matakbobor karahayuan, sareng teukedah disumput-salindung -keun maksad juragan De-mang teh, da sumuhunmaksad ti bumi mah aran-jeun teh” –bari ditunjukirungna saurang-saurang—“seja ngaraponan abdi, badengahurup ngarentog.Samarukna Nyi Rapiah badengejat? Tiasa jadi cacah pan-taran Si Jembel Si Kodehelmah serab sarta ajrih kumenak teh, masing kumenak-menak teh diantawis -na seueur anu bejad oge! Dasumuhun menak-menak tehdiantawisna seuseur anubejad sapertos pun Usman...” Nyi Rapiah nyenghapheula, pok torolong deuimemeh batur bisa nempas:“Kanggo abdi anu dihormatdipangaosan teh teu cekap kumenak turunan, luhur pang -kat, sugih banda, nanginganu luhung budina, nu jem-bar rasa kamanusaanana.”Bari nunjuk kana panon ibuUsman, satengahna mah“demonstrasi geulang emassagede cinggir ditaretesberlian pating burinyay sigaseuneuan, “Mangga gam-paran ayeuna bade kumaha,

pok geura nyeuseu. Hayangngaraosan, ari ngahualkeunpanyeuseul menak teh asanaon. Aranjeun anu ngiring,naha caricing bae, ongkohbade ngarentog ka Si CacahSi Rapiah, naha agan-aganbet ngabetem bae?”

Nyi Rapiah eureun heula,hayang terang kumaha teu-rakna omongan anu ngaboro-bot teh. Diukna rada ngansegsapangemokan, nepi kaemas-berlian saayana dinaawakna milu nyarita kabeh,mere ajrih. Mun ngagilirtusuk gelungna mani sigakilat wanci subuh. Ari ngo -mong diatur, henteu gandengwang-weng-wong, malahkaitung lalaunan, tapi kecap-kecapna saengang-engangteh tetela, ngomngna henteungagorolong cara kacangninggang kajang tapi antare,amarah make aweran. Kulantaran kitu, karasana tehanu anteb asa nanceb, anuneueul matak ceueul, nungadarengkeun teh lir anudipupul bayu. Sarerea estuning saralah sangka.Disangka rek abus ka imahleutik anu sagalana singsarwalumayan malah deukeut kanarutak- ratek teh bet jol kasingsarwa megah-mewahmatak arisin. Disangka bakal

manggih sakitan “anu kam-pad-kompod kusut bu-lukusutan, bet nyampak“sakaut” anu dangah man-cangah daweung ludeung,tur sakitu tegep-cakepjeung hurung-herangna.Dicipta rek nenjo Nyi Piahacong-acongan nyembahmenta ampun bari ceurikbet gok jeung Srikandi, anununjuk-nunjuk bari teu eu-leum-euleum poksang sartanyeung seurikeun. Hatesaha nu teu ngarentetlamun salah sakabeh iji-ran? Mamawa pamuk AganAli, ngan werat nepi katpeas, jaba ti dihapit ku SiRoda jeung Si Jobang teh;teu lila jol deui ti tukang SiJasim jeung Si Kaer oah-oah ti Cikakak kongas gan-gas barangasan, atuh Gan

Ali teh mani peot, sarangah-sarengeh seuri maur, komonenjo hulu siku-siku nololtina beuteung Si Jasim mah.

Lantaran pok deui, pokdeui Nyi Rapiah menta surattelak, ibu Usman kusiwelngaluarkeun surat, braydibuka tilepna, sok ka NyiPiah, ku pribumi ditam-panan. Nyi Rapiah: “Ieu tehsakieu bae, teu kedah diar-tosan? Sabaraha?”

Nyi Demang: “Teu kuduPiah ari diduitan mah, dakami teu niat ngajual. Nganaya kajidna saeutik.”

“Pok, naon?” ceuk NyiRapiah, pondok heureut.

Nyi Demang: “Kieu geura.Lantaran manehn ayeunamah geus teu jadi deui pama-jikan anak kami, ieu ge imahnu dicicingan kudu diko -songkeun, sabab Aom mahngaimahan soteh ka pama-jikan.” Ceuleukeuteuk NyiPiah seuri; seuri mapanas teaaya sari ngalelewe, baringomong: “Upami kedahmah nya mangga, abdi ge kupun bapa parantos di-asayagikeun gedong sigrong,teu bade owel ku gubug bututpasihan nu teu rido. Nangingmemeh nundung abdi, ieuheula aos.” (hanca)

27Manglé 2457

Manglé 245728

Bagian

188

CCarita Nyambung

Kalayan reren-cepan, PutriBudur jeungHayati Nufusbabadamian.

Eusina, seja ngadoni kasalakina yén anak térénageus kitu peta. Tangtu wéarinyana téh sapongkol geu-san nyalametkeun diri ma -sing-masing. Ari Koma rujaman, beuki bingung wé.Saméméhna, Putri Budurnu nyaritakeun talajak anaktéréna téh. Saterusna, ieuraja ogé narima béja ti Hay-ati Nufus nu éta caritaan téhteu béda ti nu kaalaman kuPutri Budur.

“Tah, kitu kalakuananak anjeun téh!” ceukHayati Nufus dibarungceurik bangun nu kanye -nyerian.

Sajongjongan, Komaru-jaman ngahuleng. Mikirkalayan dibulak-balik.Mimitina aya percaya ayahenteu. Percaya, lantaran -

ana nu nyarita téh pama-jikanana nu salila ieu mahtara pisan nyarita bohong.Ari teu percayana, da asa pi-raku anakna bet bogoh kaindung téré. Mun, enyakitu, hartina geus kacidakurang ajarna, teu ngahare-gaan bapa. Rey beungeutRaja Komarujamanbeureum. Nyiak lir nukarérab seuneu. Da enya,amarahna gé geus nguntab-nguntab. Dina kaayaan kitu,pamajikan nu duaan téhngadongsok sangkan Ko-marujaman gancang-gan-cang ngayakeun tindakan!Sabab, cenah, mun diantepmah bakal mamawa ma-mala ka karajaan.

“Upama salira teu ni-bankeun hukuman, wiosjisim abdi nu badé wawar -tos ka kangjeng rama,” ceukHayati Nufus.

Jung Hayati Nufusnangtung. Maksudan teh,indit ti dinya kalayan muru

ka tempat Raja Armenos,raja sepuh. Ngan, méméhéta putri ngajengkat, Ko-marujaman gancang nyabutpedangna! Pok ngagoro -wok, cenah, keur miceungeugeuleuh di éta nagara,anakna nu duaan téh bakalditugel jangga ku manéhnasorangan.

Komarumajan nga-jengkat tina tempatna.Muru pangreureuhan RajaArmenos. Tapi, nu rék di-datangan téh geus aya disatengahing jalan, réknepungan minantuna nukakara datang ti panyabaan.

Gok Amprok di jajaleunnu brasna ka istanakasepuhan. Atuh, rajasepuh téh kacida kagétnaningali Komarujaman nungagidir nahan kaambek

Pok Raja Komarujamannyarita. Nétélakeun ucapanpamajikanana boh nu jolnati Putri Budur boh nu jolnati hayati Nufus. Barangngadéngé éta caritaan, RajaArmenos méh-méhanngagebru, bakating ku lim-

bung. Untungna kaburu di-angken ku pangiringna.

Brék nu araya di dinyatéh dariuk. Teu loba nudiomongkeun iwal ti sualngahukuman Amjad jeungAsad téa. Raja sepuh mé-mang satuju nibankeunhukumnana naon waé ogé,lantaran nu boga kalakuankitu mah, teu payus dibérékasemptan hirup. Ngan, dapaguh raja sepuh, anggerteu leungit ti temah wadi.Pok wéh nyarita, karep Ko-marujaman nibankeunhukuman, teu sing salah, damémang kitu kuduna. Tapi,bakal kacida salahna deuihlamun pondok pikir teujauh jeujeuhan keur kahareupna.

Lian ti nyarita kitu, RajaArmenos gé nyarankeunsangkan mun téa mah, in-cuna rék ditelasan pati, atuhulah ku raja pribadi. Da,sagalak-galakna macan tarangahakan anakna. Atuh,kitu deui najan kalakuanbarudakna nyata-nyatanémbongkeun talajak nu

29Manglé 2457

kacida hinana, kanyaahbapa mah teu kungsi sirna.

Cindekna, ceuk Raja Ar-menos, mun téa mah rék di-tugel jangga, mending nitahnu séjén. Tempatna, deuihulah hayang nyaho rajamah, da awal ahir mahtetep bakal ngarasa dosamun nu jadi cukang lan-taran palastrana éta baru-dak téh ku lantaran titahanmanéhna.

Taksiran, Komarujamantéh sadar kana dirina. In-yana ngagugu papatah mi-tohana. Ngan, tetep hu kuman mah kudu ditan-jeurkeun. Biasana, gé rajamah ulah lunca-linci luncatmulang. Lantaran, mun teusaciduh metu saucap nyata,teu ngadék sacékna, teunigas saplasna, bakal mawamamala ka nagara, nagri nudipingpinna moal boga ko-mara jeung wibawa.

Sangeus kitu, raja sepuhjeung Komarujaman pa-pisah. Masing-masing murutempatna. Nya tangtu wé,dua pihakanan gé mawa ra-heut haténa nu gudawang.

Sadatangna ka kaaton,Komarujaman nyalukanbendahara karajaan. Da, étanu pangdipercaya ku ma -néhna téh. Atuh, rék niba -keun hukuma gé ku benda hara wé. Kadar tempatnamanéhna gé teu kudu apal,nu penting mah bukti yénanak-anakna téh geus di-paéhan.

Bendahara teu bisamajar kumaha. Da, dirinamah darma ngalak-sanakeun pancén. Rékkumah waé gé, rék kitu rékkieu, suku ukur sambungléngkah, biwir sambunglémék. Kudu taat kanaparentah raja, kalayan tayapikir kudu baha.

Bendahara raja kalayandiiring sababaraha urangbaladna, langsung muru

tempat Amjad, saterusnarék nyangalak Asad. Tapi,can gé nepi ka tempatAmjad, nu rék dicangkalaktéh tembong rentang-rentang nyampeurkeun kalebah abringan. Da, kaben-eran dua putra raja téh rékngadeuheus ka raja lan-taran can nepungan tisaprak raja datang ti pa-nyabaan.

Bendahara karajaannyarita ka nu duaan.Nétélakeun dirina ngembanparéntah raja, sangkannyangkalak Amjad jeungAsad. Ngadéngé caritaanpaman bendahara, nu dua-nana téh teu nolak, pasrahwé, rék kitu rék kieu moalboga pikir baha.

Luyu jeung paréntahraja, nu duaan téh dibaban-dan, diasupkeun kana peti.Geus kitu mah digotongdibawa indit ti éta tempat.

Rombongan bendahara,neruskeun lalampahan. Teukudu bébéja deui ka dunun-gan, lantaran sagala rupanagé geus kumaha nu ngem-ban paréntah. Nu pentingmah, kari nembongkeunbuktina wé ka raja.

NU mawa sakitan nyo -rang jalan husus, nu arangkasaba ku jalma. Eta téh,jalan nu biasa diparaké kupara gegedén karajaan nugeus meunang kapercayaanpinuh ti rajana. Ku carakitu, éta romobongan téhlolos tina paningal pihakséjén.

Blus ka wewengkon nutiiseun. Di tempat anunying kur, rombongan eu-reun. Nu nanggung peti ba-bandan ngecagkeuntanggunganana. Sakitan téhdigotong dikaluarkeun tinapeti. Geus kitu mah, ditang-tukeun sina nyanghareup

ka bendahara raja.Ngadéngé omongan

bendahara, Amjad jeungAsad giliran ngajawab.

Masing-masing pasrahkana hukuman raja. Malah,duanana gé miharep étahukuman gancang-gancangditibankeun ka diri masing-masing. “Mung, manggajisim abdi heula, margimoal kiat upami nyaksianpun adi guyang getihpayuneun jisim abdi,” ceukAmjad.

Horeng, Asad ge bogapikiran nu saraua. Cenah,mending oge dirina heulanu ditelasan pati téh. Lan-taran moal kuat ningalilanceukna palastra ha -reupeunana. Ngadéngéomongan dua nonomankitu, Bendahara téh katodelmamaras rasana, sedih nutaya papadana. ***

(Hanca)

Manglé 245730

CCarita Pondok

Naha teungelol-ngelolgeningSMS timanéhna

téh? Keclak cimata mimitimaturan gerentes haté nungarasa kacida nineungna.Enya, asih munggaran téhgeuning hésé pisan ingkahtina rohangan haté, cacak-cacak tas puluhan taun kali-wat. Kamari téh bibiri gidigan kénéh basa babaturanngobrol masalah ‘cintalama bersemi kembali’. Asaararahéng tuda kudu pa-pacangan deui jeung babat-uran baheula nu saruakungsi silih mikanyaah.Malah lolobana mah kapannepi ka pepegatan jeungsalaki atawa pamajikannaalatan kitu téh.

Kamari masih omat-omatan ka nu jadi babatu-ran perkara éta. “Yeuh,sobat kuring ayeuna keururusan jeung pangadilanagama, pamajikanana ka-panggih reureujeungandeui. Kadé ah bisi siga kitu!”cekéng téh.

Da enya atuh, kuringnyaho pisan ka pamajikanki sobat téh lantaran min-deng ngulampreng kaimahna jeung salaki. Titin-galian mah kurang kumahaajén ka nu jadi salaki. Salakibalik gawé, gura-girunyieun cai kopi. Sut set nya-diakeun daharna. Ngan mé-mang manéhna téhmeusmeus ditinggalkeun kuki sobat ka luar kota. Ba-

likna rata-rata sabulanatawa dua bulan sakali.

Teuing kesepian téameureun atawa naon lahteu ngarti. Ujug-ujug ayabéja ti ki sobat yén pama-jikanana kapanggih haha -déan deui cenah. Kuringjeung salaki kacida ngilukuciwa kana ketak pama-jikanana.

Enya karék kamari ku -ring kakadéan ka babaturanperkara éta. Naha ayeunabet diri sorangan anu nga -wang-ngawang ngaliwatanmarcapada poho di bumialam? Naha ayeuna bet dirisorangan anu teu bisa sarétibra lantaran mikiranmanéhna. Duh gusti, nahabet kieu? Ieu cimata nana-haon atuh anu ngeclak téh?Cimata kaasih? Cimata ka-sono ka manéhna? Atawacimata kaduhung bet kieu?Weléh teu kajawab.

Ngalelentuk nungguanSMS, ahirna disada ogéhapé téh. Gura-giru hapédibuka. Jéntré ngaranmanéhna aya dina layarhapé. Belenyéh seurisorang an. Haté ratug tu-tunggulan muka ‘message’téh. Bray téh, nyaan ayatulisan “I love you so much”cenah malah maké “beib”sagala. Halaah ieu hatébeuki teu paruguh. Bagjakitu nu kieu téh? Maenyaapan umur téh geus teungora deui, geuning masihngarasakeun nu kararieu …

Inget keur ngora basamimiti papanggih jeung ba-pana budak, apan kieu

rarasaan téh. Baheula mahcan usum hapé, internetjeung sajabana. Kantor postéh boga jasa anu kacidagedéna keur nu papacanganmah. Asal manéhna nyu-ratan maké kalimah “akusayang padamu” langsungmata teu bisa ngiceup. Mel-ong kana naon wae nu teuperlu dipelong bari seuri so-rangan. Terus wé teu puguhcabak. Di mamana asaningali manéhna.

Geuning kaalaman deuirarasaan kawas kieu téh.Atuh bongan bet nyoba-nyoba siga batur ngiluannyieun twiter jeung pesbuksagala, jadi wéh paparang-gihan jeung batur-batursakola ti jaman SD nepi kapaguron luhur. Teu tinggal -eun papanggihan jeungkikindeuwan mangsa keurSD. Bray … aya budaksatepak dina kongkolakmata. Ngabelenyéh seuribari melong semu nuéraeun. Teu nyaho naon ka-hayangna éta budak suraseuri unggal panggih.Puguh panggih unggal poéapan sakelas. Kelas 5 SD.EGP ceuk budak ayeunamah. Tapi lila-lila sihoréngteu bisa EGP deui. Geuningkuring jadi éra mun dipe-long ku manéhna téh. Teupuguh rasa, asa hayangnyampeurkeun tapi gedé kuéra éta antukna nyalingkerngajauhan bari angger wémata mah néangan manéh -na mun teu katingali téh.Hih naha bet aya kituna?Apan laleutik kénéh atuh,

‘first love’ téa kitu? Asanatéh ..

Kitu jeung kitu wé ung-gal poé. Nepika mangsanakuring paturay tineungjeung sakabéh babaturanSD, nya kaasup jeungmanéhna. Dasar barudak,pisah téh pisah wé euweuhnu istiméwa.

Nepi ka hiji mangsa ku -ring muka pesbuk. Ayapesen asup. Nétélakeun yennu nyieun pesen téh ayapatula patalina jeung kuringjaman SD. Manéhna nu ba-heula sok ningalikeun ku - ring téa. Manehna ‘My firstlove’ téa. Ngubek cenahnéangan ngaran kuring dipésbuk téh. Kapanggih ogé.Gebeg, ujug-ujug dina hatéaya mang Syair nu sokngadulag di masigit ku-loneun imah. Gedebaggedebug sorana téh. Asa teuasup akal. Naha kudungagebeg. Naha kudu deg-degan sagala apan geuslain-lainna.

Mimitina ngobrol biasawaé di internét téh. Masalahkulawarga téa, pagawéanmah, nepi ka kagiatansapopoéna di luar pa-gawéan. Tetela manéhnatéh geus boga anak rumajasarua jeung kuring. Lila-lilaaya kasono nu teu bisa dije-laskeun. Ahirna ngobrolnangalér ngidul beuki deuketnepi ka pada-pada wanimapatkeun kalimah saktinu nyien teu bisa sare téa.Puguh atuda kaasih baheulakasambung deui. Asa‘gayung bersambut’ cenah

HAMPURA, KANG …Carpon Deka Wimala

31Manglé 2457

ceuk si nyai mah. Kaditu-nakeun kuring jeungmanéhna silih tuker nomerhapé.

Saban poé aya waécarita dina hapé téh. Ngo -brolkeun nu sabenerna mahteu kudu diobrolkeun.Kekembangan rarasaan téhpohara lobana dina ati.Nyaan alah batan rumaja17 taun. Na kumaha atuh arigeus kieu cara ngeureun -keunana?

Cimata ngeclak deui.Gustii, naha sono téhpabeulit jeung nalangsa?Nalangsa lantaran kuringjeung manéhna sarua geusrimbitan kitu? Atawanalangsa lantaran jeroningati mah nyaho yén ieu téhteu meunang dilampahkeun…

“Sayang, kunaon hu-lang- huleng kitu?” Sora nuhalimpu, leungeun nupinuh kanyaah ngusap sirahmuyarkeun lamunan.Katingali imutna ngage-lenyu tina pameunteu nupayus.

“Socana baseuh?” Ce-nahna deui bari nyusutanmata kuring ku jempolna.Kuring neuteup leleb kamanéhna. Pameunteu nuberesih unggal waktukawuduan. Unggal waktusumerah ka Nu MahaKawasa. Unggal waktumanéhna ngahaleuangkeunasma Alloh. Unggal waktunarabaskeun kitab Alloh.Unggal waktu manéhnanungtun kuring, ngabéjaanyén waktu sumujud ka NuMaha Welas Asih geusdatang.

Clebb, asa aya nu nan-cleb kana jajantung. Salakianu sakitu pantes, tegep,soléh, sopan, nyaah tur per-hatian pisan geus didua-hatékeun ku kuring.Pamajikan nanahaon arikuring? Poho kana sagalarupa alatan asih nu teu jelasbari salah. Nu bakal nyun-

trungkeun kana kabenduAlloh.

Curucud atuh cai matanu tadi kaluar sakeclak duakeclak téh beuki murudul.Kuring nyegruk dina

dadana. Manéhna terusnangkeup bari ngusapan.Colohok teu ngarti sababmusabab kuring ceurikbalilihan.

Panceg dina haté, cacap

kaasih kanu lian eureunayeuna kénéh. Ampun,Gusti … Hampura, Kang ..

****

Manglé 245732

CCarita Nyambung

11

BASA kuringgék diuk han-dapeuntangkalcaringin ditaman, langit

keur meumeujeuhna disaputlayung. Kaayaan tiiseun, tayasasaha. Mungguhing waktugeus ampir nyedek ka ma-grib. Najan cikénéh karékmareuman kuntung ku sa -patu, leungeun ngaragamangdeui kana saku baju. Mautdeui udud sabatang tinabungkusna. Sut disundut.Pelenyun udud deui. Dipase-langkeun jeung ngaregotcikopi tina gelas pelastik anukarasa panas kénéh. Tuluyngahuleng deui, bari ngen-carkeun panon ka tebéhkulon, ka langit konéng anudiajulan gedong-gedongjangkung. Haté gé bet hidengmencar sorangan. Sagalarupa anu katénjo bet asa jadicukang pikeun balik deuinempoan saniskara raratan.Panon nempo langit. Haté gébet pipilueun nempo kawaktu kalarung. Laju bruh-bréh deui gambar-gambarlalakon anu kungsi dipaén -keun ku sorangan. Aya anubabarengan jeung batur, ayaogé anu ukur diri kuringpribadi. Tuluy manjang ny-oréang kana adegan lalakon-lalakon séjénna. Rupa-rupasétingna. Aya anu di ro-hangan kuliah, di jalan, disékré, di taman, di kantin, di

sakola, jeung teuing di manadeui.

Tapi ari gambar anupangcékasna mah nya gam-bar manéhna. Malah moalboa gambar manéhna pisananu jadi pangjurung nga -hualna ingetan kana gambar-gambar nu séjén téh, anusaenyana mah ukur sametrarangkén. Enya, rarangkénlalampahan jeung manéhna.

Duka atuh, kuring soran-gan éstu teu ngarti, telebnawanci pasosoré sok tuluyngahudang telebna rarasaannu baheula kungsi ngancik.Rarasaan anu timbul timanéhna. Ti dieu, ti ieu tem-pat anu kungsi jadi kasangwaktu kaliwat téa. Asa tayanu robah. Tangkal cari -nginna, bangkuna, pernahnapepelakan, jeung sawatarakaayaan séjénna.

Nya di dinya, dinaluwang-liwung sareupna,kuring anteng nyawang run-tuyan anu kaliwat téh. Lir nukeur ngitung angka, anusaenyana mah ukur perlam-bang tina lalampahan soran-gan. Baheula. Ayeuna.Satuluyna duka kumahajeung ka mana. Baheula nukungsi leungit tina ranggeu-man, jeung poé hareup nuteu kungsi karanggeum kutangkeupan.

22TUNGTUNGNA mah

kalah ngahuleng di buruanfakultas, teu puguh nu di-

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

Pangjajap

Yudi, mahasiswa tingkat ahir. Kaasup salah saurangaktivis di kampusna. Utamana aktif dina ruang-riung uru-san seni téater jeung sastra. Nya alatan tina teuleum teu-

ing dina dunya anu dikojayanana, kuliah Yudikatélér-télér. Skripsina teu laju. Sidang skripisi biheung

iraha. Sedeng babaturanana, méh kabéh lalulus. Ari Yudikalah ngagaléong kana ngumbar karep ngayunkeun kare-

sepna.Astri, babaturan deukeut Yudi, bati hanjelueunana

nangénan ‘nasib’ Yudi nu teu junun dina kuliah. Béh di-tuna, haté Astri ngalanglayung mireungeuh Yudi –maha-siswa nu kungsi nyayang bari maneuh dina galeuh atina,bangun anteng dina karep ngumbar karesep pribadina.

Egois Yudi téh? Teu ngarampa nu ngaguruh na haté Astri?Ngamomorékeun galura asmara nu ngabibira dina kalbu

Astri? Bisa jadi enya égois. Buktina kapan Nita, wanoja mis-

terius geuning sakitu montél maskétna ka Yudi. Pon kitudeui Yudi, bangun nu betah nyeuseup asih babarengan

jeung Nita. Sakarepna. Sakaresepna. Naha enya hubun-gan Yudi jeung Nita didasaran rasa asih nu medal tina

galeuh deudeuhna? Iwal Yudi jeung Nita nu terang.Kumaha atuh Astri? Naha kumaha pamustunganana

rasa deudeuh nu anteng diceungceum salila ieu jerokalbuna? Naha ka mana eunteupna asih Yudi téh? Astri

atawa Nita? Aos baé carita nyambungna ti kawit édisi nu ayeuna.

Layung Ngempur di Kampus Bungur, karya Lugiena De.Nyanggakeun.

33Manglé 2457

jugjug. Kuring tuluy ngajeng-jen deukeut lawang asup.Sirah luak-lieuk niténansabudeureun. Teu kasampaksaurang-urang acan nu wa -wuh. Ka nu lalar-liwat di bu-ruan teu apal saeutik-eutikacan. Barudak anyar tang-tuna gé, nu kakara asup ka-mari. Da ari tingkat hiji jeungdua mah sok matuh jadwalkuliahna isuk-isuk. Antarajam tujuh nepi ka jam du-awelas.

Panon hideng ngarérétkana hapé. Karék jam sala-pan geuningan. Isuk kénéhsaenyana mah. Sahenteunacék ukuran rutinitas sorang -an. Tuda biasana gé wayahkieu téh keur ngagojod kénéhdi kosan. Kakara hudang téhengké wayah lohor. Tuluy kacai, sibeungeut. Balik deui kakamar, ninyuh kopi, kelepuswé udud. Kitu apanan sasa-rina gé. Liwat jam satukakara gejebur mandi. Inditwéh ka kampus. Lain rék ku-liah, tapi ngadon ruang-riungngadabrul teu puguh jeungbarudak. Bubar-bubar wayahmagrib.

Tah, ti sanggeusna ma-grib mah panjang nakerananwaktu téh, tur bisa dieusianku rupa-rupa acara. Bisa ku-layaban ka kosan batur,atawa balik ka kosan sorang -an ngadon bagadang soso-ranganan. Kutrak-ketréknyieun tulisan dina kom-puter, atawa maca bukuparat nepi ka ngong adansubuh. Saré wéh geus kitumah. Kitu unggal poé ogé.

Tapi tadi peuting mahkalah ngahunted. Ngetikdina komputer ngan meu-nang dua paragrap. Ka di-tuna mah kalah dipencrong.Pindah kana maca buku,ngadon réa bulak-balikbekongna. Sakaca téh nepi kamindo sababaraha balikan.Antukna kalah rudet sorang -an. Ngagolér dina kasur. Cu-lang-cileung. Reup baé saré.Jam tujuh koréjat hudang.

Kuring ogé ayeuna téhkuduna mah asup ka ro-

hangan kuliah. Ngontrak kahandap jeung adi tingkat.Bubuhan aya sawatara we-lasna mata kuliah nu canréngsé. Dijumlah-jamléhkabéhna téh tilu seméstereundeui. Tapi da bongan tadinageus réa teuing ngabolosna.Ukur samet dua tilu kali waéngahadiranana téh.

Cangkeul nangtung, gékdiuk dina ubin deukeuttangga. Ngadagoan jam satuasa lila nakeranan. Bieu gékalah kulantang-kulintingteu puguh di sékré téh.Bubuhan nu séjén karuliahkénéh sigana mah. Nyobaanngalanto ka sékré séjén,sarua baé tiiseun taya sasaha.Ka dieu ogé apanan susugan -an manggih batur. Da sok pi-rajeunan aya babaturan sa kelas nu datang ka kampusrék bimbingan. Boh bimbi -ngan PPL boh bimbinganskripsi. Puguh da maranéhnamah, babaturan sakelas téa,keur usum ririweuhnaméréskeun. Tina sakelas nujumlahna lima puluh maha-siswa, kari sababaraha urangdeui nu nyésa téh. Enya, nu

kababayut téa, kaasup ku -ring. Barudak lalaki réréanamah nu kitu téh. Sawataranamémang aya anu kakolom -keun kana mahasiswa kedul.Aya ogé anu béngbatan,katungkulkeun teuing ku ka-giatan séjén.

Kuring sorangan sok ra-jeun mikir, asup ka kolommana saenyana? Tapi aridisebut kedul taya guam, asateu keuna deuih. Justru cékrarasaan mah sabalikna,resep ancrub kana rupa-rupakagiatan. Enya meureun,béngbatan téa kuring mah.Loba teuing kabéngbat kuhal-hal séjén, najan enya ariprungna mah di lingkungankampus, atawa masih kénéhaya patalina jeung kagiatankampus. Éta gé sok aya nupirajeunan nanyakeun,nyindiran kalawan lantip,atawa nepi ka ngagarah-geureuhna pisan.

Tapi da tara ieuh enya-enya dibandungan. Ukurditémbalan ku nyéréngéh wé.

Sanggeus sajam ngalelen-tuk, teu burung aya ogé nunorojol duaan, Si Yopi jeung

si Ramdan. Sarua ieu gé,grup kababayut wungkul.

“Weuleuh, tanginas euy.Wayah kieu geus aya didieu.” Si Yopi pangheulananyeletuk.

Kuring seuri. Gék dua-nana milu diuk.

“Ari silaing deuk naon kadarieu?” Kuring malik nanya.

Haté mah asa hémengogé nénjo dangdananana.Tara-tara ti sasari bet rarapihnakeranan. Dikaméja. Ari kahandapna maké calanakatun, disapatu, lengkepjeung kaos kaki. Padahalsapopoéna mah sok potong -an galandangan waé. Kitungabasakeunana budak kam-pus mah ka nu mamaké jinbelél, kaos oblong, disendalcapit, bari buuk awut-awut -an. Kalan-kalan tilu poé taraganti salin éta téh. Malahmoal boa teu ngurus mandi-mandi acan. Enya, da apalkana sapopoéna kuring mah.

“Ngudag dosén euy. Rékménta niléy. Jam sawelasjangjian,” cék si Ramdan.

“Duaan?”“Heueuh. Tiluan jeung

saha atuh. Ari manéh réknaon deuih los-los ka kam-pus?”

“Puguh aya acara, ké jamsatu. Dititah datang ku baru-dak,” témbal téh. Kusiwelkana saku calana, nyokotroko sabungkus. Sok ditundadina ubin.

“Wah, udud yeuh. Kabe -neran pisan, ti tatadi manyunteu puguh.

Nanagih si karéta ménakkenyoteun,” omong si Yopibari maut sabatang.

“Ah siah, ngalaga hayangudud. Biasa gé anggeus kungenyot nu si Melva lain?”cék kuring saengabna. Mim-iti bijil heureuy burung.

“Teu ngeunah, euweuhhaseupan. Kalah wé munu’ubadag.”

Baku si éta mah.Ditabeuh téh kalah milumaceuh.

(lajengkeuneun)

Teuing kumaha mim-itina jeung teingtimana manggih nga -

ran lalandihan kitu teh, arisainget kuring mah munnawarkeun daganganana ila-har siga nu daragang sejennaari ieu mah mahiwal nawar -keunana henteu aya hubun-ganana jeung nu didagang keunana. Mun jelema anyaratawa kakara ngadengepuguh ge asa aneh, tapi aripikeun kuring mah kaayeu-nakeun geus teu aneh deuikomo tatangga-tatangga numasih keneh boga barudakleutik geus teu asing deuimun ngadenge gorowoknasora nu kitu teh.

Ari dagangna mah tibareto nepi ka kiwari ge da-gang bubur hayam teu gantiku nu sejen, ari dagangnaisuk-isuk jeung pasosorenguriling ka tatangga-ta -tangga dareukeut lebahdinya.a ri nawarkeunana sokmatak lucu da bari gogo -rowokan sagala.

“Ancurrr... ancurrr... ba-rade ancur yeuh!” cenah.

Sanggeus kitu reg eureun,teu lila jul-jol ibu-ibu nusaterusna rob bae n yalam-peurkeun bari nungtun bu-dakna jeung marawa mang kok keur wadah bubur. Ayanu meuli samakok aya nu duamangkok malah mun anak naloba mah meulina teh nepi katilu mangkok atawa leuwih.Ekeur mah manehna mahkasasaha oge someah katam-

bah-tambah olahan buburhayamna ngeunah, nya teuaneh mun daganana laris teh.

Sakali mangsa mah meniibur pedah geus dua poe ieumanehna teu dagang, ibu-ibujeung barudak pating taranyajeung pada tatanggana malahtumanyana ge teu kolot teubudak kabeh sarua.

“Kamana nya, Si Ancurteu dagang?” cek salahsau -rang ibu-ibu bari mawamangkok.

“Nyaeta geus dua poe abdige teu ningali si Ancur, da bi-asana mah wayah kiwari tehgeus gogorowokan, ancuu-urrr... ancuuurrr...” jawabibu-ibu nu sejen bari nyikikikseuri.

Tilu poe ti harita kuringsorangan kakara nyaho yen siAncur kacilakaan, kaserempetmobil basa keur dagang, arinu sejen mah kaasup ibu-ibusawareh aya nu nyaho dinapoe kajadiana, ngan kuringnu katingaleun berita pedahkeur aya tugas ti pagawean.Kaca gorobagna pareupeusngan untung manehna ukurbarabak saeutik dina leung -eunna, mun parah mah moalbisa gancang dagang deui.

Kabeneran kuring pang-gih jeung manehna basa keursibuk ngaladangan, ku kuringdi deukeutan da katempokeur salse.

“Kamana wae Jang, geusdua poe teu dagang? Cenahkacilakaan?” Pananya kuringasa ngagebah manehna pedah

keur ngitung duit.“Kaserempet mobil A,

lebah tanjakan pisan untungabdi teu nanaon ngan goro -bag wae nu pareupeus ka-cana, ieu weh yeuh leungeunkatuhu barabak!” ngajawabkitu teh bari ngusap leung -eun, katempo urut barabaknageus mimiti ngagaringan.

“Untung A, gorobagna teuancur ge!” pokna deui barimemenr gorobagna nu radanyanggeyeng.

“Padahal mah kacilakaannya, geus kabiasaan bangsaurang mah sok nyebut untungwae kajeung kacilakaan parnage tetep untung!” omong ku -ring ngaheureuyan.

“Nya eta kitu lah A, tos ila-har meureun!” ngajawab ki-tuna teh bari ngocokkeunmangkok nu kotor dinaember.

“Kajeun cilaka nepi kacacad, untung cenah teu paehge! kitu lin?” ceng teh nga-heureuyan. Manehna ukurseuri bari muntel-muntel elapmangkok nu rada baseuh.

“Mun cilakana nepi kapaeh, untung cenah maot damun hirup ge karunya pastiika siksa saumur-umur da ra-gana ancur!” cek kuring baringaheheh teu kuat nahanpiseurieun pedah nga-heureuyan manehna.

“Untung gorabag abdi teuancur A, mun ancur teh pi-manaeun nya!” pokna deuimalikan ngomong ancur.

Kuring ukur seuri nga -denge manehna ngomongancur teh da pedah geuskadua kalina ngomong kituteh.

“Keun bae atuh lah ancurge, ari mawa berkah mah!”ceng teh bari ditungtungan kuseuri.

“Ah si Aa mah aya-ayawae ari ngadoakeun teh,embung abdi mah ngadu-akalian!” jawabna rada ke -rung.

“Ari eta geuningnawarkeun dagangan buburhayam make lalandihanancur, pan berekah malahmah ngaran maneh ge geuskasohor jadi si Ancur!” pokteh.

Manehna nyikik seurikakara inget ka na kalakuannu dipilampah, sakedapanseurina kapotong ku kuringpedah kuring nanya deui.

“Lain rek diganti moal la-landiah Ancur teh?” kuringnanya deui.

“Moal A! Moal rek di-ganti!” jawabna teges piasn.

“Sugan pedah geuskacilakaan!” kuring beukiterus ngagonjak manehna.

“Moal! Moal diganti, tetepAncuuurrr...!” ngajawab kituteh bari seuri siga nu seeleun.

“Ancuuurrr... dasar si An-cuuurrr...! geus jadi hak patenmanehna!” gerendeng hatekuring bari ngaleos ning-galkeun manehna nu keurngaladangan.***

AncurKu Ayi Sopandi

Manglé 245734

Ati Ampela Bungbu Bau

Ieu mah pangalaman anu kaalamanku babaturan. Didongéngkeun deui téhlain nguar-nguar kakurangan sobat téa.Puguh mah sono da geus taunan henteupanggih. Harita téh kuring masih gawé dirumah sakit, sarua papada gawe jadi per-awat. Si Teteh, kitu wé urang sebutnasobat kuring téh, kabeneran saruanganjeung kuring. Meureun si Teteh téh taramasak, da kungsi paréa-réa omong jeungkuring ngeunaan masakan.

Mimitina mah basa rék makan siang,kuring arék ka kantin, biasana lamun ayaanu ka kantin téh anu lain sok na ritip.

“Baradé pesen naon yeuh... pesen...pesen... abdi badé ka kantin,” ceuk kuring.

“Abdi mah masakan Pa dang wé, biasarendang pleus daun sampeu,” ceuk Iis.Anu lain ogé atuh langsung paresen, dit-uliskeun ku kuring da sieun kaweur di-inget-inget wungkul mah. Bu Dian pesengudeg ayam, Néng Ana pesen pingpinghayam sareng sayur asem, Yanti pesenkikil.

“Tétéh mah rames wé,” ceuk si Tétéh,sobat anu rék didongéngkeun téa, basakuring ngadeukeutan.

“Naon réncangna, Téh?” “Samikeun wé sareng Lina, ngarah

apét.” “Okey pami kitu mah, abdi mah ho -

yong ati ampela,” ceuk kuring baringaléos. Acan ogé nepi kana panto, siTétéh ngudag.

“Naon, Lin? Lina badé mésér naon?” “Ati ampela bungbu ké cap.”“Iiiyy...,” Si Tétéh ngabirigidig. “Alim

ah, Tétéh teu cios sami. Ati ampela mahgila, barau teu ical-ical.”

Kuring manyun. Pok wé, “Êta téhkaresep abdi, Téh, mani nyebat barau.”

Si Tétéh seuri. “Punten nya, Tétéhmah sareng hayam goréng wé dadana.”

Bari ka kantin téh kuring ngahuleng.Ari kana ati ampela nyebut barau, ari kanahayam goréng henteu. Panasaran, sang -geus makan siang téh ditanyakeun deui kasi Tétéh, naha nyebut barau kana ati am-pela ari kana daging ha yamna mah hen-teu.

“Ieu mah pangalaman Tétéh, kantosmasak ati ampela,” ceuk si Tétéh ngado -ngéng keun rusiahna.

“Bungbunakumplit, mantap lahbungbuna mah, atiampelana tos dibere-sihan. Tah saatos

asakna, mani bau, komo basa ampelanadikeureut mah... ah tungtungna mahdipiceun wé.”

“Ke... ke... ari Tétéh masak ati ampelahenteu dibeset heula?”

“Naha dibesét naonna? Siga kana laukwaé.”

“Dibesét ampelana, margi di lebet am-pela téh ee hayam, iiiyyy...,” kuring gé jadingabirigidig ngabayangkeun bauna.

“Berarti pami teu dibesét heula Tétéhmasak ati ampela pleus ee hayam.”

Si Tétéh ngabirigidig. Tapi terusnamah kuring jeung si Tétéh sareuri. Komobasa dicaritakeun ka batur saruanganmah, teu aya anu henteu ngabarakatakbari ngabirigidig.

Lina Herlina – Bandung

Lengkah Tambuh Laku

Unggal tanggal hiji atawa dua keurkuring sabatur-batur mah geus pagaweanrutin, nyaeta nyokot sesa gajih ka kantorBTPN nu aya di Kawali. Nasabah BTPNteh leuwih ti tilu ratus urangna da antayanteh teuing ku panjang. Tapi ka beh dieu-nakeun mah teu kudu ngantay cara behditu, tapi diganti ku kartnu nu geus di-nomeran. Jadi mun geus meunang kartumah tinggal nungguan nomper panggilanwae bari dariuk dina korsi nu geus disadi-akeun.

Sakapeung kuring sok seuri sorangan,yen anu keur narungguan sesa gajih tehumurna rata-rata geus genep puluh taunka luhur atawa nu disebut manula tea.Ma’lum waktu pangsiun teh lolobana mahpas dina umur genep puluh taun. Tapi ayaoge nu pangsiun dina umur lima puluhgenep kawas kuring. Eta teh kasebut kuatu ran ti BAKN, yen PNS nu jaradi kuwukudu ngajukeun pangsiun dina umur limapuluh genep taun.

Waktu gajihan bulan Oktober 2013dina papan bor aya pangunguman kieu,tanggal sapuluh Oktober 2013 nasabahBTPN kudu karumpul deui di kantorBTPN. Lain rek dibere deui gajih tapikudu nandatangan Karip anyar nu disebutKarip elektronik. Tah teu beda meureunjeung KTP elektonik mun ayeuna mah.

Jadi kiwari mah sagala rupa identitasteh geus mimiti “Dielektronikeun”. Teuingkumaha maksudna pangdikitukeun teh,jigana ambih babari wae meureun.

Ti anggalna keneh ka indung budakgeus papadon. Peupeujeuh mun geus nin-cak tanggal sapuluh Oktober bejaan, yenkabeh nasabah kudu karumpul di BTPNKawali pikeun nandatangan Karip elek-tronik. Leumpang teh hayang isuk kenehambeh meunang nomer leutik. Ari nomerleutik mah sok tereh kapanggil jeung terehmulang ka imah deuih. Ma’lum sanajangeus pangsiun ge kuring teh di imah bogakasibukan, nyaeta maraban hayam nu sokngendog unggal poe. Marab ge kuring tehngahaja tara nitah batur, tapi sok diporo-jolkeun unggal poe. Tina 500 hayam teh,alhamdulillah 75 persen mah ngendog.Tah ku kituna sanajan sesa gajih tinggalsapertiluna, tapi keur kaperluan dapurmah kacumponan tina ladang endoghayam, malah aya leuwihna.

Datang ka kantor BTPN teh alham-dulillah isuk keneh, meunang nomer urut18. Geus kitu mah gek diuk bareng jeungbatur dina korsinu masih kosong keneh.Breng wae ngobrol ngaler-ngidul nu teupuguh jejerna. Tina nyaritakeun berita ko-rupsi AM, sidang APEC di Nusa Dua Bali,harga kurs rupiah nu beuki nyirorot tugnepi ka nyaritakeun dulur-dulur nu keurngalaksanakeun ibadah Haji. Mun jamtilu janari hudang, heug nyetel tivi nemponu keur towaf, emh... bati nyurucud waecipanon teh. Bari tumanya di jero hate,naha aing meureun ngalaman ngalak-sanakeun munggah Haji ka Tanah Suci?

Keur kitu nomer kuring dipanggil kusatpam. Teu talangke deui kuring buru-buru asup. Di dinya geus ngagimbung ba-baturan nu dipanggil ti heula. Samemehkuring sabatur-batur dititah nanda ta -ngan, ti lantai dua torojol pingpinan BTPNnu make dasi turun. Geus kitu manehnanyarita kieu ka nasabah, “Bapa-bapamiwah Ibu-ibu, penandatangan Karipelektronik teu cios dinten ieu, margi teuacan rengse sadayana. Ku kituna pihakBTPN neda dihapunten, engke bae sasihpayun bari sakantenan nyandak gajih.”

Nya ari geus ngadenge kitu kuringsabatur-batur tinglaleos ninggalkeun kan-tor BTPN mulang ka lemburna masing-masing bari kukulutus, “Lengkah poe ieuteh kaasup lengkah tambuh laku, sababgeus batal nanda tangan karip elektronik.”

Ayah KawunglarangRancah 46387

35Manglé 2457

Tarucing“Hayam rintit nonggeng ka langit?”“Ganas atawa hayam belegug!”“Budak leutik ngambay peujit?”“Jarum, atawa budak pikawatireunkudu ka UGD!”“Ongkoh jujul tapi kalahngangkat?”“Ke..ke..ke.. Naon nya? Taluk ah!”“No dolrat!”“Naon tateh?”“Nu modol di darat, hi..hi..hi”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

Hayang Tenar“Cing bejaan euy tarekahnakumaha!”“Bejaan kumaha?”“Hayang jadi penyanyi tenarkumaha?”“Asal leukeun neangan jeungkawani praktekna!”“Tah..tah.. kumaha cikan?”“Neangan material bangunan,neangan papan pangluhurna.”“Terus?”“Nya ngong bae nyanyi didinya,tenar geura aya nu nyanyi dipapanatas!”“Ah siah kuriak disangka anyargelo!”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

Bulu IrungUtad: “Mun di antep, ngewa menironghok!”Ated: “Naon?”Utad: “Ari dicabut, rada peureusnyeri nepi ka kaluar cipanon siga nuleweh!”Ated: “Heueuh naon atuh?”Utad: “Bulu irung!”

Ayi SopandiPasar Gardu

Jl. Makmur No. 84 Rt 003/76Lubang Buaya

Jakarta Timur 13810

Mun Gering deuiUtad: “Maneh mah tega Ted, uranggering di Rumah Sakit meni teungalongok pisan!”Ated: “Nyaeta keur sibuk, loba pa-gawean di kantor! Punten we nya.Ke mun manehn gering deui pastidilongok lah ku urang!”Utad: “Dasar jelema teu eucreug!”

Ayi SopandiPasar Gardu

Jl. Makmur No. 84 Rt 003/76Lubang Buaya

Jakarta Timur 13810

Usum JagongTito: Baheula keur usumhape anu biasa, wa Umi sok

ngomong kieu lamun kuring keursmsan teh, ‘Eta budak murutulanjagong wae’Ito: Kunaon cenah bet ngo mongkitu?Tito: Pedah sora kipedna jiga sorajagong anu keur di purutulan. Ariayeuna mah pan jamanna hapelayar sentuh. Kira-kira wa Umi rekngomong naon nya?Ito: Ku sabab teu aya soraan, pastiwa Umi rek ngomong ‘keur ngolo-mohan jagong’Tito: Ey,gareuleuh.Ito: Hehe…

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. BandungBarat

SMA Negeri 15 Bandung

Biaya SakolaIdo: Naha nya guru teh sokngomong ‘Jadi murid mah janganmikirin biaya. Biarin orang tua ajayang mikirin biaya mah. Muridmah tugasnya cuma belajar dan be-lajar, bukan mikirin uang’?Odi: Nya bener atuh da tugas urangmah ngan ukur diajar.Ido: Tapi geuning naha lamun telatmayar SPP mah anu pangheulanaditagih teh muridna lain indung ba-pana?Odi: Eh bener oge nya.

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. BandungBarat

SMA Negeri 15 Bandung

Kabayan vs BuleDi Jakarta, Kabayan, Wawan, jeungbule keur ngobrol di dekeut pasar.Bule: Kamu membeli ini berapaan?Kabayan: Saya beli inih ofat re-bueun.Bule: O-fat?Kabayan: Ya, o-fat.Bule: O-gemuk?Kabayan: Lain, lain! Ofat!Wawan: Kabayan, lamun ngo -mong teh cing bener atuh. Abong dibahasa Inggris loba ‘f’ jadi sagalanadiganti f! Opat mah bahasa ing-grisna ge VOR, lain OFAT!Bule: ???

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. BandungBarat

SMA Negeri 15 Bandung

PAINGAN LILA.Isuk-isuk si Somad dititah meulikepiting ka pasar ku pamajikanana.Sanggeus ngasupkeun lima kepitingkana kérésék, kabeneran papanggihjeung urut kabogohna:“Éh gening Romlah. Urang jalan-jalan yu?”, si Somad cunihina ka -luar.

Manglé 245736

“Hayu kang”, dasar si Romlahawéwé gampangan, daék waé dia-jakan.Kacaritakeun jalan-jalan ka kebonbinatang, poho kana waktu, tugnepi ka sore na.Gura-giru si Somad balik da sieundicarékan ku pamajikana anu galak.Kulantaran gurung-gusuh, kérésékna tikait kana pager imah, atuhkapiting na kalaluar.Si Somad bingung, teu wani néwak,kapaksa kapiting digiring baridokoréhan ku rokrak.Sabot kitu pamajikana geus ngajegadina lawang panto imahna:“Euh paingan lila atuh ari ngagiringkapiting ti pasar mah !”

Abah Téa

Paturay TineungSomad jeung Imas adi lanceuk,ayeuna aya di halteu karéta api.Duana-na paungku-ungku pédahrék papisah jauh tur lila.Maranéhana-na kakara saladarwaktu karéta geus mimiti maju.Gurubug Aa lumpat muru karéta,

jleng luncat, sup kana gerbong.Kira-kira satengah jam kakara am-bekana-na normal deui.Teu lila, ujug-ujug Aa ngagurubug

siga nu reuwas naker:“Aya naon jang mani siga nu

reuwas pisan?”“Eu…anu bade angkat téh saleresnasanés abdi, tapi pun adi ………”

Abah Téa

Sales GirlKa bumi ki Unéd aya wanojananawarkeun panci kriditan:“Punten. Dupi ibu aya pa?”“Teu… teu …aya di bumi néng” , kiUnéd geumpeur mayunan nugeulis.“Sawios atuh, ku abdi badé dianto -san wa锓Oh, mang….mangga…waé”, kiUnéd tambih geumpeur.Kira-kira sajamna duana-na ngaba -retem:“Dupi ibu téh angkatna tos lami pa”“Euh…euh …si jenat mahmangkatna geus aya kana limatauna mah”

Abah Téa

BahénolAa : “Néng, asa beuki bahénol ih, cikatuh Aa nyungkeun Cintana.” Nyai : “Mangga Aa, nyandak ples-disna heunteu, engké ku enéng dicopy-keun...”

Aa : “Euuhhh… marukana min-dahkeun lagu kitu..., ari néng hoy-ong diduruk?”

AstriJl. Gurame no. 123

KacugakOno : “Uing kacugak meni panastiris kieu euy.”Ucup : “Kacugak naon kitu?”Ono : “Ku tai kotok...”Ucup : “Wah… piraku? Teu per-caya!”Ono : “Enya ku tai kotok, tapi tainanempel dina paku karahaan...”

AstriJl. Gurame no. 123

PerbodenPolisi : “Geus nyaho diporboden,nyolonong waé...”Ujang : “Geus nyaho urang rék kadinya, bet diperboden atuh.”Polisi : “Ari manéh...”

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

BocorIcih : “Asa bau gas elpiji bocor,mah!”Mamah : “Ulah sok nyalénggorkeunsiah, sidik nu hitut téh manéh!”Icih : Hihihihihi….

Ifah MusdalifahJl. Saturnus No. 67

TorekAni : “Mang, Amir aya?”Mang Otong : “Keur naon kitu?”Ani : “Iiihh... ari Amir aya, teu?!”Mang Otong : “Tuh... dina palang-dada semir mah!”

Elin MarlinaJl. Cangkuang NO. 167

Poé+ : “Poé naon nu ngeunah?”- : “Poé minggu atuh, da libursakola…”+ : “Lain aaaahhhh…!”- : “Poé naon atuh?”+ : “Nya, poé peuyeum atuh. Komomun terus dibeuleum, dibanjur kukinca…”

Elin MarlinaJl. Cangkuang NO. 167

DagangSujang : "Mang, dagang naon

mang?"T. Dagang : "Arumanis, Jang!"SUjang : "Hiji mang! Ulah amis teu-ing."T. Dagang : ?!?!?!?!

Obar SobarsaJl. Astana Anyar No. 90

Pas-pasan"Uing mah hirup téh meuni pas-pasan.. Duh sué. Pas keur ngorong,pas Néng Ingeu ngaliwat. Meuniéra.”

Obar SobarsaJl. Astana Anyar No. 90

Jilbab+ : Néng, teu panas tengah poeéréng-éréngan kieu di jilbab?- : Panas atuh, tapi saur abah dinaraka mah 70x langkung panastibatan di dieu.+ : owh kitu? Ih janten sararieun.Aa gé enjing mah badé di jilbab ah!- : Haaar!

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

Liar PeutingBapa : “Ulah liar ti peuting, matakdibawa jurig!”Anak : Moal pa, da ieu gé lobabudak nu liar peuting.”Bapa : “Anak saha kitu?”Anak : “Anak jurig.”

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

CéréwédBudak: “Ema, bener kitu Ujang téhurang Sumedang?”Indungna: “Bener pisan!”Ujang: “Geuning ayeuna aya diBandung?”Indungna: “Kapan urang téh geuspindah da Bapa manéh digawéna diBandung.”Ujang: “Ari Bapa kitu urang mana,Ma?”Indungna: “Aslina mah ti Garut!”Ujang: “Ari Ema enya nyah asalnati Cianjur?”Indungna: “Enya bener. Ku naonbet tatanya waé?”Ujang: “Puguh bingung Ma. Nahanya ayeuna bet karumpul di dieu?”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42

Bandung

CangcayaGuru: “Sanggeus ku Bapa dit-erangkeun bieu, Udi yakin teu yénBumi téh buleud?”

Udi: “Numawi cangcaya sim kuringmah.”Guru: “Naha?”Udi: “Éta geuning buktosna bumiPa Guru henteu buleud? Bumi punAki ogé sami deuih henteu buleud?”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42

Bandung

BisiIteung: “Kabayan, ku naon nyasuku téh barareuh kieu?”Kabayan: “Cobaan atuh pariksa kadokter héwan!”Iteung: “Ari ngomong téh sok paduengab. Naha nitah dipariksa kadokter héwan?”Kabayan: “Pan bisi katarajang pa-nyakit biri-biri deuleu!”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42

Bandung

Sarua LumpatAnay: “Percaya ayeuna mah. Bukti.Dina jambatan téh ayaan.”Unuy: “Maksudna ayaan jurig?Kumaha kitu?”Anay: “Basa peuting tadi ngaliwatka dinya, aya anu campego han-dapeun jambatan.”Unuy: “Terus?”Anay: “Teu mikir dua kali awahingku soak, belewer wé dibalédog.Kocéak nu campego teh ngocéakbari lumpat siga nu nyampeurkeun.Atuh kuring gé reuwas, becir deuihlumpat.”Unuy: “Jadi nu malédog teh ilaingnya?”Anay: “Enya. Ari ilaing aya dimanakitu?”Unuy: “Pa uing deuleu anu dibalé-dog téh.”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14

Bandung

Hasil KeurseusWa Haji: “Uwa mah atoh pisanngadangu Ujang keurseus motongbuuk téh. Geus bisa potongankumaha waé tah hasil keurseus téh,Jang?”Jajang: “Nembé éta wé Wa Haji,potongan buuk gundul bolénangsareng torombol.”Wa Haji: “Ari potongan kitu mahatuh Jang teu kudu milu keurseussagala. Wa Haji gé bisa.”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14

Bandung

37Manglé 2457

Manglé 245738

SSamungan ti kaca 23bat di balkon. Hayang kasak-sian pisan nu nyumirat tibelah wétan. Nu patingarudatmapag harepan dina poé nuanyar datang. Kaéndahan nulalaunan moal kasaksian deui.

“ Nién..” Gebeg, asa ka-gareuwahkeun. Keur antengningali langit nu beuki caangaya nu ngaharéwos kana ceuli.Ngalieuk lalaunan. Bréh..,ré-plék beungeut ngalieus bari di-tutupan ku dampal leungeun.

Jempling. Inghak ditahan.Teu hayang ningali manéhna,teui hayaaang..!

“ Nién, hapunten Ar.” Ayanu ngaragamang kana taktak.Diképéskeun, tombol korsiroda dipencét, ngajauhan nuanyar datang.

“Mih...Pih..!” Ngagorowoksatarikna. Euweuh nu datangsiga biasa na, mun kuringnyalukan

“ Nién sayang, trully, I'mso sorry! Nembé ngupingwartos mangkukna ti Ray. Nungahaja ka Jakarta. HapuntenAr. Rumaos ngalalaworakeun.Rumaos jalir jangji. Ar moalngabela diri. Ar nampi kanasagala kalepatan.”

Nu deku bari leungeunnanahan kana korsi roda diteu-teup. Lain Ar nu baheula.Panonna maké cela, buuknapanjang dibeureuman. Be-ungeutna beuki kasep. Ayatato dina sapanjang leunge-unna. Anting dina ceuli. Kabéhméré tangara mun kuring geuskaleungitan dedegan Ar nu ba-heula dipikacinta. Nu ayahareupeun ayeuna blég wé Se-bastian Bach, volkalis SkidRow. Lain, lain Ardhana Sa-tria. Geus leungit manéhnamah....leungit jeung sakabéhjangji-jangjina.

“Naha maké kedah sump-ing? Nién tos teu aya peryogika nu namina Ardhana. Tosteu aya dina émutan. Mendingénggal kaluar ti dieu...! Tos teuaya gunana...!” Teu bisanyumputkeun cimata nu mu-rubut. Manéhna datang nganukur ningali Niéna nu geus

ruksak . Rék nanaonan.Mikarunya? Atawa ngan ukurrék ménta hampura? Da ba-likan deui mah jauh tangéh.Dunya antara kuring jeungmanéhna ayeuna geus kacidabédana.

“Hapunten Ar, Nién. Ha-punten...” Manéhna nyuuh nalahunan. “Manawi teh Niénteu siga kieu. Pami kersa, Arseja nebus sagala kalepatan.Sugan sing janten panghu-dang sumanget kanggo berta-han.”

“Teu kedah ngarérépot.Sareng moal aya épék nanaon.Sagalana tos dikubur, toskasip...Langkung saé Ar geuramulih. Nién teu kunanaon. Di-doakeun karirna sing lang -kung nanjung. Sagala nudipicangcam tos tinekakanmugi sing langgeng.” Nukeukeuh hayang nangkeup di-lawan sakuat tanaga. Geusmoal aya rasana. Malah jadiéra ku waruga sorangan nugeus teu sampurna siga ba-heula. Éra ngabanding jeungmanéhna nu sakitu hurungna.Geus jadi béntang. Superstarkareueus balaréa.

Nu ngungkug, muru mo-bilna bari tungkul dis-érangkeun tina tralis balkonhareup. Ar, gitaris band inter-nasional. Awéwé blondiejeung mobil sport kaluarananyar...dunya nu manéhnaayeuna. Lain keur Nién, lain..!

***Sunsét di Pura Tanah lot.

Langit dipulas warna tam-baga. Ombak nu halon jeungangin nu ngulisik lalaunan.Ray aya di gigireun, antengneuteup ka jauhna. Sakali-kalingarérét bari menerkeunpashmina nu ngabagudedawak kuring. Sagala di-pakékeun. Geus mantel jeungscarf Armani ditambah kupashmina. Sigana téh ulahkaasupan angin saeutik ogé.

Hésé béléké hayang mawaulin ka Bali, ningali sunsét nu

pangéndahna. Dipapayang,atawa maké korsi roda.Ray...kanyaahna tan wange-nan. Horéng manéhnakalangkang nu marenganléngkah kuring salila ieu.Kalangkang nu teu weléhmikahéman jeung mikatine-ung. Tara jauh, salawasna digigireun. Naha kuring betsalah sok? Bet mikeun haté kajalma nu teu hayangeun? Lainka nu anteng mantengmikamelang? Kadeudeuh nudeukeut, pageuh siga leugeutkalahka teu kapairoséa?

Diteuteup siluétna ti gigir.Kasep Ray téh. Keureutan be-ungeutna leuwih lemes ti Arnu heuras, pasagi. Ray mahtipe gentleman. Paromanjeung dedegan katut tingkahlakuna aristokratis. Rengkuh,sopan, resep ngangeunahkeunhaté batur. Pinter bari tukuhpisan kana aturan. Béda jeungAr nu leuwih kasar, leuwihbébas hirupna. Malah kaasupteu resep diatur, sagala kumaaing. Tapi cinta kuring geuskabéh ragrag ka manéhna, kaAr. Teu nyésa...tug nepi kaayeuna. Nu diteuteup malik,nyéh imut. Leungeunnangaléng kana taktak,ngusapan.

“ Nién, hiji deui pésta téhnya?” Panonna ngiceupan.Renyu imutna can béak.

“ Kapan atos sadayana,loncing novel, ulang taun, aye-una liburan ka Bali. Naon deuikitu?”

“Ray hoyong nikah sarengNien, keresa nya?” Kuringmolotot, terus gideug. Leung -eun nu tinggal kulit jeung tu-lang ngaragamang kanasirahna, Réma ngusapanbuukna. Nyaah pisan ka Raytéh, tapi teu bisa bogoh. Jabateu téga. Nyaan teu téga, pi-raku rék ngawin awéwé nukari nungguan dawuh. Nusakeudeung deui surup wak-tuna.

“ Kersa kitu nikah sarengrorongkong hirup? Teu ah, kékumaha saur batur. Ray nikah

ka Nién pédah karunya.Muhun gé Nién tos ruksakkieu, alim dipikarunya mah.”Kuring nyéréngéh bari nga-jembél pipina.

“ Saur saha pédahkarunya. Sidikan Ray téhbogoh ti kapungkur. MungNién teu maliré da kaédananku Ar nu macho...” LeungeunRay nangkeup kana cangkéng.“Disaksian ku sunsét nuéndah, bari sakedap deui adanmagrib, Ray Sura Atmajangalamar Niéna Noor Rahma-nia. Will you marry me?” Kur-ing nyakakak, seuri ngeunahpisan. Kagugu ku nu nékadngalamar teu beres-beres.“Please say, I do...NiénaNoor..!

“ Moal..!” Kuring seuri,ngusapan kana dadana. “moalditampi Ray. Nién mung hoy-ong lay my head upon yourshoulder. I just need a shoul-der to cry on, kliseu nya? Tosah, urang teu kedah nambihandeui kasedih. Ok? By theway...mending gé pas dikan-tunkeun ku Nién téh Ray tetepbujangan. Lebar pami ujug-ujug janten duda mah..haha.”

“Niéna...Ray badé maksapisan nyaa, please..!” Kuringukur ngawalon ku gideug barinyarandékeun sirah kana tak-takna. Suku geus mimiti teukuat. Panon ranyay. “Ray hoy-ong ngajajap Nién dinarangkulan panungtungan.Ray badé rido dikantunkeunngarah Nién lebet surga. Oké?Tapi urang kedah nikahheula.”

“Ray...” Teu kebat. Ayanu nyelek kana angen.Kadéngé kénéh Ray ngago -rowok.

“ Nién...Niéna! Hang on..!Sing kiat..!

***

Margahayu Kencana,Desember 2013

facebook.com/tiktik.rusyani

DDongéngAkiGuru

19. Buaya, Maung,jeung Jalma nu Ngaliwat

Aya jalma leumpang nyo -rang jalan anu heureut.Katuhu jalan gunung nuluhur, ari kéncaeunana wa -lungan Logangga nu cainangagulidag. Keur kitu ma -néhna nénjo aya maung nuturun ti gunung, nyampeur -keun rék ngamangsa manéh -na. Bawaning kukaselempek, manéhna lahla-han rék nga gejeburkeunmanéh ka wa lungan. Teu kuhanteu di cai aya buaya keurngambang. Puguh jadi susahhaténa.

Pokna, “Cilaka kaya kieumah. Diheumpik ku bahayanu bisa ngalantarankeunaing paéh!”

Bawaning ku geus pe-unggas harepan, golédag baémanéhna ngagolérkeunawak na dina taneuh. Maunggancang ngarontok manéh -na. Tapi, maung téh luncatnakalepasan, sarta gejebur kawalungan. Di handap buayageus nampanan. Éta maungdibawa teuleum. Ari jalmatéa, salamet teu sakara-kara,sarta tuluykeun lalampa-hanana.

Hartina ieu dongéng:najan manéh kadatangaanku bahaya anu gedé, ulahpegat-pegat neneda sangkansalamet. Ari pibahayaueun

téa éta téh can tangtu jadisalamet awak urang. Saba-likna, aya nu matak pi-cilakaeun tapi jadi lantaranurang salamet.

20. Manuk Heulangjeung Kuya

Aya kuya nu boga ka-hayang hayang bisa hiber.Manéhna remen ngomongka manuk heulang, ménta di-papatahan. Unggal-unggalngomong ku heulang sok di-jawab, “Ari manéh soknyarita teu patut jeung teupantes jeung kapatutan!”

Bawaning keukeuh nuhayang, jeung keukeuh nunyarék, tungtungna éta kuyadianteur karepna, lantaranheulang asa rudet ngalayan -anana.

Éta kuya tuluy di-ranggeum ku heulang sartakebat dibawa hiber. Baranggeus luhur, diragragkeun.Nyata pisan omongan heu -lang téh, barang ragrag kanataneuh awak kuya téhremuk.

Hartina ieu dongéng:Ulah sok mikahayang numoal bisa kabadanan kuurang. Kahayang kitu téh sokbijil tina haté nu takabur, nuahirna nungtun kana karuk-sakan.

21. Singa jeung Embé

Aya singa nempo embécicing dina gawir nu luhur.Karepna singa téh rék nga-mangsa éta embé. Tapibarang rék ditaékan ma -néhna teu bisaeun. Pok baésinga téh ngolo.

“Keur naon manéh didinya? Anggur turun ka dieu,réa jukut jeung rungkunjaradi nu sok biasa didaharanku manéh.”

Embé nyarita bari seuri,“Omongan manéh téh aluspisan, lantaran éta tempatmanéh. Tapi keur déwékmah matak cilaka. Ngomongkitu téh manéh mah ngarahseubeuh beuteung soranganbaé, ngarah déwék aya ditempat manéh. Di ieu gawirmah apan ku manéh moalbisa ditaékan.”

Hartina ieu dongéng:Ulah sok percaya kana pan-golo jalma durjana. Lantaranpangolona ngan keur awak -na sorangan baé, ka nu séjénmah tara pisan ngagéhan.

22. Budak lalakijeung Kalua Cangkaléng

Aya nu nyieun kaluacangkaléng, diwadahan kanagoci nu liangna rada leutik.Anakna nu leutik kacidahayangna ngadahar étakalua. Éta budak ku bapanasina ngodok goci, tapi kudusaeutik. Budak lalaki téh

tuluy ngodok goci, nyokotsakeupeul. Ngan baé leung -eunna teu bisa dikaluarkeun,ditarik gé pageuh, da puguhgedé keupeulanana. ung-tungna budak téh ceurik.

Ari ceuk bapana, “Éta téhhasil tina kalakuan manéh,lantaran sok hayang réabarangcokot. Coba mun nyo -kotna saeutik-saeutik mah,bari sering. Kitu tah ari nuteu boga kira-kira téh, nincakkana paribasa gedé teuingcanggeum. Nu alus mahnyaéta nu leukeun bari ngeu -reuyeuh, maju halon tapi teunepi ka ngarandeg.”

23. Hayam Jagojeung Nu Bogana

Aya hayam jago, nyaritadibedaskeun, muji manéhmun manéhna gedé kawani,rupa geus puguh alus, sartaku bikang-bikangna dipika -sieun jeung dikawulaan. Nubogana anu teu jauh ti dinyanangtung, bari seuseurianhayam jago nu muji ma néh.Katampana ku hayam jagomah nu bogana téh ngalélé -wé manéhna.

Tuluy hayam jago téhnanya, “Juragan, nya naonsababna nyeungseurikeunkuring. Naha kuring téh bo-hong?”

(hanca)

PieunteungeunKénging: R.H. Muhammad

Musa

39Manglé 2457

Manglé 245740

SSambungan ti kaca 19

sun teu dipikir heula.”Ma Ijun terus waéngomong siga nu ngabu-dalkeun katugeunahna.“Lamun hayang payu,tong sok ngagogoréng nugeus leuwih ti heula aya.Jeung éta maké kudu ny-ingsieunan masarakat.”betus sotéh kakeuheulnaka Eulis, bubuhan nya in-cuna, nya nu pang deu -keutna. Da ari diha reup eun batur mah biasawaé, malah bisa pisan MaIjun nyumputkeun se-muna téh.

Di Cikahuripan ogé ki-wari mah aya bidan, dikantor désana. Dukaurang mana, da cenahmah nu keur prakték tikota. Ari urang lembur,kacida pisan percayanakanu hal-hal nu aya pa -tula-patali jeung kota téh.Éstu didédéwakeun bidantéh. Hal-hal pantranganjeung kapamalian nusalila ieu dijadikeun ce-cekelan ku nu keur ka -kandungan ogé sawaréhdirarempak. Ma Ijun ogéteu bisa majar kumaha,da manéhna teu bisamaksa sangkan uranglembur kudu nurut kamanéhna. Ma Ijun mahukur ngamalkeun jeungnepikeun pangaweruh tikaruhunna.

Ma Ijun sorangansabenerna mah henteukeuheul henteu sing kabidan désa, malah asa ka-bantuan da kadang sokteu kasiwer mun parengaya nu ngalahirkeunbareng téh. Henteu ogéngarasa kabéakeunpalanggan, da nya itu téaMa Ijun mah itungananalain duit. Éstu clik putih

clak hérang karna tutu-lung waé marajian téh.Ngan nya éta nu matakmawa teu ngeunahna téhku dituding praktékngabahayakeun. Da ariurusan pati mah geus ayanu nangtukeun.

Ma Ijun ogé teu ka-soro lahan, da geuningkabuktian sok sanajanaya bidan désa. Aya ogénu leuwih percaya kamanéhna. Malahdatangna teh bari jeungnepikeun unek-unekjeung kakeuheulna.

“Horéam ah Ma, kabidan mah sok kalahngareureuwas. Hésésaeutik pikeu manéhnamah lain ditarékahan,tapi gampang pisanngomongna téh, cenahkudu dibawa ka rumahsakit, kudu ngalahirkeundi rumah sakit. Leuheungonaman mun haratis, panieu mah sagalan éstudiduitkeun ari kudungalahirkeun di rumahsakit mah. Jaba apanrumah sakit téh di lem-bur kieu mah aya di-mana, kudu ka dayeuh.Abi mah percaya kénéhka Ema, da abi ogé ba-heula ngalahirkeun kuEma cenah ceuk indungmah.”

Ma Ijun mah ukurimut waé aya nungomong kitu téh.

“Bararaid teuing Ma,si kasebeleun téh, pa-jarkeun kudu disésarngalahirkeunana. Emanyaho teu, disésar téhhoréng beuteung ditudalsiga lauk, orok wa dikalu-arkeun hiy... embung ah,abi mah percaya kénéh kaEma! Jaba éta Ma, bi-

ayana meuni mangyuta-yuta. Duit timana pantarabi geura Ma, salaki ukurngandelkeun buburuhtani.”

Paraji jeung bidan ayadi lembur Cikahuripan,duanana mekar babaren-gan. Sok sanajan Parajibeuki kasilih, tapi teumatak ngaleutikeun hatéMa Ijun, da niatna ogéMa Ijun mah lain daganglain naon. Atuh lamunaya nu ménta tulung ka-manéhna ditulungan,mun henteu nya teunanaon.

Nincak ka sawawaEulis hayang nuluykeunsakola ka Bandung.Hayang ngulik pangawe -ruh kabidanan jeung dok-ter kandungan, sangkanngeuyeuban pangaweu-ruhna. Nyaho incukameumeutna rék ngalapélmu bidan téh, Ma Ijunrada ngagebeg. Sok sana-jan henteu ngaulahkeunogé, katempo ku Eulisparomanna Ninina hen-teu ngarojong kana ni-atna.

“Nya teu cukup sagalapangaweruh ngeunaanparaji ti Ema. Rarasaanmah sagara geusdiketrukeun ka manéhtéh!” ceuk Ma Ijun hijipoé basa Eulis keur be-berengkes rék indit kaBandung.

“Apan saur Ema ogé,élmu mah timana waé?”ngomong kituna téh Eulisbari nahan piceurikeun,da bisa ngaragap kaayaanhaté Ninina. Manéhna nudiagul-agul bakal nuluy -keun tapaklacak jadiparaji, bet belot hayangngalap élmu kadokteran.

Eulis ogé apal soranganbidan jeung dokter pisannu sok ngagogoréngjeung nyapirakeun MaIjun téh, majarkeunparaji mah prakték tradi-sional nu geus teu gunajeung teu relepan dijaman kiwari.

Ma Ijun teu bisakukumaha, geus teu bisanyarék kana kabuleudanniatna Eulis.

Eulis ogé pon kitudeui, teu bisa betus kaninina yén manéhnasakola luhur dikadok-teran téh sabenerna mahhayang ngadumaniskeunantara atikan tradisionalparaji nu diwaris tikaruhun-karuhunnajeung atikan kadokterankandungan kiwari nusarwa modern jeungcanggih.

Béh dituna mah Eulisogé hayang ngabuktikeunyén teu sakabéh élmuparaji téh salah.

Nya saméméh Eulisbisa ngabantah hal éta,Eulis kudu nyaho ogépangaweruh modern nuku manéhna ogé diper-caya henteu sakabéhnagoréng. Eulis eungeuhpisan rék paraji rék bidanrék dokter, sarua intinamah pikeun kasalametanindung jeung anak. Nganpédah adat goréngnajalma nu sok ngomong -keun batur, béh ditunangagogoréng saingansangkan teu payu. Pada-hal mah nya teu kudukitu, masing-masing ogégeus aya jalanna.***

Cisompét, Desember’13

41Manglé 2457

Ajen juang Pahlawan NasionalRd.Oto Iskandar di Nata (Si JalakHarupat) putra Sunda, anu Lahir 31

Maret 1897 di desa Bojongsoang, Kabu-paten Bandung. Tilu kajadian anu jadi cirikaunggulan katut kaluhungan jiwa Pa OtoIskandar di Nata harita, Kahiji, nu nelahperistiwa Bendungan Kamuning. TuanKontrak Wonopringgo parantos kumawasataya ras – rasan, ngagunasika hak rahayatdesa kanggo kapentingan pausahaanana,ku Pa Oto Iskandar di Nata hal ieu teh di-bongkar dugi ka koredas. Atuh ieu kajante-nan teh teu wudu narik perhatian kawanmiwah lawan. Hiji tindakan anu leres- lerespinuh wawanen, dugi ka wantun ngorban -keun kapentingan katut kalungguhan prib-adi. Kadua, tindakan – tindakan nu taya ras– rasan ti pamingpin kapulisian ka rahayatPakalongan, ku anjeuna dibela tohpati,dugi ka ahirna sagala kacurangan katut ka-jahatan teh kabongkar. Katilu, Pa OtoIskandar di Nata ngungkab kajahatan – ka-jahatan ”lentah darat”, anu tanpa rasa ka-manusaan meres rahayat anu hirupna teukinten sangsarana.Ieu sadaya, mintonkeunkumaha luhurna jiwa kara’yatan miwahjiwa patriotik Pa Oto Iskandar di Nata. Mi-nangka tanda katineung sareng kadeudeuhka masarakat Pakalongan, di ieu kota PaOto Iskandar di Nata ngadegkeun ”SakolaKartini”, anu wartosna lumangsung dugi kakiwari.Sateuacana lebet ka Paguyuban Pa-sundan, Pa Oto Iskandar di Nata tehanggota ”Budi Oetomo”, malihan kalebetkader militan.Keuna ku paribasa”Muncang labuh ka puhu, kebo mulihpakandangan”.

Eta hal dtetelakeun Ketua Umum PB.Paguyuban Pasundan Prof. Dr. HM.DidiTurmudzi, M.Si., dina raraga upacara“Pangemut-ngemut ka 68 gugurnaPahlawan Nasional Rd. Oto Iskandar diNata”, di Makam Pasir Pahlawan, Lem-bang, 19 Desember 2013. Hadir dina acarakulawarga besar Rd. Oto Iskandar di Nata,kulawarga besar Paguyuban Pasundan,sarta tamu ondangan sejenna.

Ketua Umum PB. Paguyuban Pasun-dan negeskeun, sabada Pa Oto Iskandar diNata jadi anggota Paguyuban Pasundan,teu lami anjeuna kapeto jadi sesepuhUmum Pengurus Puseurna, nu harita mah

Puseur Paguyuban Pasundan teh aya diBatavia (Jakarta)

Dina kapamingpinan Pa Oto Iskandardi Nata, Paguyuban Pasundan wuwuhmekar, sareng tiasa mintonkeun ciri – cirihasna. Sanaos ti beh dituna keneh ogePaguyuban Pasundan teh parantos moyan,nanging ti ngawitan harita mah langkungtembong ciri mandirina. Dina asuhan PaOto Iskandar di Nata, Paguyuban Pasun-dan janten Partey Pulitik anu mibanda ajentur dipiserab, boh ku dulur boh ku batur.Taun 1930 Pa Oto Iskandar di Nata kapilihjadi anggota Dewan Rahayat (Volksraad).Nya di dieu pisan langkung natrat kasak-sen wawanen Pa Oto Iskandar di Nata anudi barung ku wawanen katut kaweruh, anumere ajen miwah jajaten ka urang Sundaumumna. Beh dituna ngaronjatkeunMartabat katut komara ki Sunda. Di Volk-sraad katingal yen Pa Oto Iskandar di Natateh sanes bae lulugu rahayat militan, nang-ing jadi pulitikus anu mibanda sipat parle -menter tur demokrat deuih. Pa OtoIskandar di Nata mangrupi salah saurangputra lemah cai nu nuju dijajah, numibanda pribadi kandel wedel, patriotisjeung bumela, wawanen nu leber, kalu -deung nu teuneung, pandangan nu tebihkapayun, pangorbanan nu iklas, disare -ngan ku kajujuran katut kabasajanan dinatingkah sadidinten. Ti harita Pa Oto Iskan-dar di Nata kenging jujuluk ”Si Jalak Haru-

pat”.Nu pohara ageung mangpa’atna, Jasa

Pa Oto Iskandar di Nata teh nyaeta kalayansasa rengan sareng Pa Gatot Mangku -pradja, ngusulkeun sangkan bangsa urangdididik ku bangsa Jepang jadi tentara, nutujuanana kanggo ngabela lemah cai (Pem-bela Tanah Air). Hasilna nya ngawujudpasu kan PETA. Mangpaatna estu mutlakkaraosna dina jaman perang ngarebutkamerdikaan, margi PETA teh mangrupigaleuhna sareng cikal-bakal lahirnaAngkatan Bersenjata Republik Indonesia,nu lulus banglus tug dugi ka kiwari.

Dina biantara pamungkasna, KetuaUmum Paguyuban Pasundan netelakeun,sim kuring saparakanca nyanggakeunsewu panghormat kana samukawis jasaPahlawan Nasional Rd. Oto Iskandar diNata.

Kalayan asmana pengurus besarPaguyuban Pasundan nyanggakeunsewu panghormat nu tan wangenan,kana kaihla san,pangorbanan kalihkaweningan bakti Bapa Rd. Oto Iskan-dar di Nata, ngawujud Pahlawan nubakti diri bajoang tumbal kabagjaanNagara katut Bangsa.

Sim kuring saparakanca seja kedalsumpah kalih jangji,yen perjoangan BapaRd. Oto Iskandar di Nata saestuna tunggalperjoangan tur bakti simkuringsaparakanca.***

Ajen Juang Rd. Oto Iskandar di Nata ‘Si Jalak Harupat’Tuladeun Balarea

AAweuhan Pasundan

Upacara Mieling R. Oto Iskandar di Nata Di Pasir Pahlawan, Lembang

Manglé 245742

GGedong Saté

Taun ieu, gupernurJawa Barat merepanghargaan ka sababaraha urangtokoh sarta palaku seni budaya

jeung pariwisata.Pamasrahan pangharga -an lumangsung dina acara kilas balik“Anugerah seni-budaya jeung Pariwisata2013” di Hotel Horison, Jalan Pelajar Pe-juang, Kota Bandung, Kemis peuting(19/12).

Nu narima panghargaan di antaranawae, opat widang husus seni jeung bu-daya, 11 panghargaan umum widang senijeung budaya sarta 5 panghargaan widangpariwisata.

Nu kasinugrahan panghargaan aya 20urang di antarana wae Encar Carmedi(alm) widang seniman karawitan ti KotaBandung, Tandi Skober (alm) widang sas-tra asal Kabupaten Indramayu, R.A.Kosasih (alm) widang Seni Rupa asal KotaBogor, Popo Iskandar (alm) widang SeniRupa asalKota Bandung.

Saterusna 11 panghargaan umumwidang seni jeung budaya, dipasrahkeunka Prof. Iyus Rusliana, SST.SenimanTari/Dosen asal Kota Bandung, Drs. Rah-mat Iskandar Purwacarita Sejarawan asalKabupaten Majalengka, Jim SupangkatSeni Rupa asal Kota Bandung, H. TaufikFaturohman ti Penerbit GegerSunten asalKota Tasikmalaya, Jatnika Nanggamiharja(Ki Jatnika) Tokoh Penca Cimande tiKabupaten Bogor, Drs. UbunKubarsah Bu-dayawan asal Kota Bandung, SitusKabuyutan Ciburuy, widang Situs Arkeolo -gis asal Kabupaten Garut, Sunarto MartaAtmadja Seniman Tarling ti KabupatenCirebon, Dr. HM. Yus Wiradiredja Seni-man Karawitan ti Kabupaten Bandung,Ridwan Marhid Budayawan ti Kota Bekasi,H. Dedi Mulyadi, SH (Bupati Purwakarta)Budayawan ti Kabupaten Purwakarta.Panghargaan widang pariwisata, dipasrah -keun ka 5 palaku widang pariwisata, di-antarana Batagor Isan (wisata Kuliner)asal Kota Bandung, Sekolah Tinggi Pari-wisata Bandung widang Lembaga Pen-didikan asal Kota Bandung, Ciater Spawidang Badan Usaha asal Kabupaten Su -bang, Samudra Beach Hotel widang BadanUsaha asal Kabupaten Sukabumi, sarta

Exotic Java Trail widang Badan Usaha asalKota Bandung.

Gubernur Jawa Barat AhmadHeryawan dina biantarana netelakeun,anugerah ka pakar seni budaya jeung pari-wisata, mangrupa wujud apresiasi pa-marentah daerah, ku partisipasi jeungapresiasina anu kacida gede katieung jeungkanyaahna dina mekarkeun tur ngaronjat -keun widang seni, budaya sarta pariwisatadi Jawa Barat.

Ku kituna, ceuk gupernur negeskeun,kacida payusna pamarentah propinsi mereapresiasi jeung apresiasi positip, kanalengkah jeung dedikasi masarakat dinawangun prestasi nu ngangkat komara JawaBarat.

Lima taun ka hareup, Gubernurnandes keun deui, pamarentah propinsiJawa Barat baris mokus ngaronjatkeunpangwangunan seni budaya ku carasatekah polah ngawaluyakeun sarana/ ro-hang publik pikeun gelar seni budaya sartapangwangunan/rehabilitisi gedong senibudaya di kabupaten/ kota.

Kiwari Pemprov Jabar geus ngabogaansababaraha rohang publik pikeun gelar seni

budaya anu bisa dijadikeun kareueus sartakudu dipiara, diantarana Taman Budaya,Anjungan Jabar TMII, Gedung KesenianRumentang Siang, Gedung Yayasan PusatKebudayaan (YPK), sarta Pondok SeniPangandaran nu bida dijadikeun mediapikeun ngamekarkeun seni budaya diwewengkon kidul Jawa Barat.

Kepala Dinas Pariwisata & KebudayaanJawa Barat Drs. Nunung Sobari MMnepikeun apresiasi sarta panuhunna katim pangajen “Panghargaan GubernurBidang Seni, Budaya jeung Pariwisata2013” nu diwangun diantarana ku Prof. Dr.Hj. Nina H. Lubis, MS (Ketua ngarangkepAnggota Bidang Budaya), SuhendiAfryanto, S.Kar.,MM (Sekretarisngarangkep Anggota Bidang Seni) sartapara anggotana, Drs. H. Gugum Gumbira(Bidang Seni), Prof. Dr. Yus Rusyana(Bidang Budaya), Herry Dim (Bidang Bu-daya), Drs. Djoni Sofyan Iskandar, MM(Bidang Pariwisata), H. Herman MuchtarSE (Bidang Pariwisata), NicolausLumanauw Ph.D (Bidang Pariwisata), sartaDrs. RusmanSyarif (BidangPariwisata).

***

Anugerah Budaya jeung Pariwisata 2013

Gupernur Jabar H. Ahmad Heryawan masrahkeun panghargaan widangseni-budaya jeung pariwisata 2013 ka sababaraha urang tokoh/pakar,

sawatara waktu ka tukang di hotel Horison, Bandung

43Manglé 2457

Sakumaha nu pada terang dina ka-giatan “Malam Kilas Balik Pari-wisata Jawa Barat 2013” nu

lumangsung Kemis peuting (19/2) diKarakatau Room Hotel Horison JalanPelajar Pejuang Bandung, GupernurAhmad Heryawan geus masrahkeunAnugerah Budaya dan Pariwisata 2013ka 20 urang inohong, pakar seni, komu-nitas budaya jeung pariwisata nu geusnyambuangkeun arum wawangen JawaBarat nepi ka madhabpapat, nungawengku 4 pangajen husus widangseni jeung budaya, 11 pangajen umumwidang seni jeung budaya jeung 5 panga-jen widang pariwisata. Dina kagiatan etage geus medal/diluncurkeun buku “Se-jarah Kabupaten Ciamis”, yasanaProf.Dr. Hj.Nina Herlina Lubis, MSsaparakanca.

Rojongan ti komunitas kabu-dayaan, seniman jeung stakehoderpariwisata kana pangwangungan JawaBarat, geus karasa jeung nyata, ku kitu -na propinsi geus sapantesna mereapresiasi kana dedikasi jeung aubnamasarakat nu diwujudkeun dina wa -ngun prestasi nu matakngareueuskeun Jawa Barat.

Seni Budaya cek gupernur, mangrupahiji anugerah nu mampuh ngahadirkeunkaendahan jeung kasaimbangan hirupnu raket dina kahirupan. Seni budaya gebisa ngalahirkeun kasenangan, kabagja -an, rasa ayem tengtrem jeung sarwaendah. Sedengkeun ti baheula mulatanah Bandung/ Parahyangan geuskaceluk ka awun-awun kakoncara kajanapria beunghar seni budayana, endahalamna sarta gudangna kamotekaran/ -kreatifitas. Nepi ka ku bangsa deungeundilandi “paris van java(Parisna nusaJawa)”, ku endah-endah na parahyangancek babasan bangsa deungeun mahdiciptana “nalika Gusti nuju Imutngagele nyu”. Jawa Barat geus kakoncaragemah ripah repeh rapih, masarakatnasilih asah- silih asih- silih asuh, someahhade ka semah.Ku kituna cek gupernur,“Eta sadaya potensi alam, seni, budayasareng sajabina teh hayu urang

hadirkeun dina wangun prestasi urangJabar, kanggo sumbangsih ka bangsajeung nagara”.Kitu saurna. Guper nur gengingetkeun yen urang Sunda sacarakuantitas mangrupa seler bangsa kaduapanglobana di Indonesia. Tina pamakebasa ge aya 15, 4%(ampir 16%) satutasnapamake basa Jawa nu 41,7% tapisaterusna pamake basa Malayu jeungMadura ngagejlok 3,4%.Tah hartina“Urang Sunda ge mun ‘daek’ mah pastiunggulna dina sagala hal di tingkatnasio nal, kaasup dina kapamingpinannasional.Cek cohagna “Ti Bandung keurIndonesia-ti Jabar keur Indonesia atawa( nu cek istilah Bupati Purwakarta DediMulyadi, nu harita nampa pangajen bu-daya), “ti Gedong Sate ka Istana”, sapukpanuju, insyaalloh. Da lepat atuh, pamiurang teu gaduh cita-cita/angen-angenmah!” Kitu saur gupernur nu bade“nyalon” presiden dina taun 2014 tehpasti.

Nyigeug deui kana Anugerah Budaya,Pupuhu Tim Juri Anugerah BudayaProf.Dr.Hj.Nina Lubis saparakanca(anggota:Prof.Dr.Yus Rusyana, Drs.Gugum Gumbira, Dr.Suhendi Arifiyanto,

M.Si, Herry Dim, Herman Muhtar, S.E.,Drs.Rusman Nasution, Drs, Djoni Iskan-dar, MM, jeung Nico Lumanauw, Ph.D)netelakeun yen para calon nu nampapangajen nu diancokeun ku Dinas Pari-wisata dan Kebudayaan kabupaten-kabupaten/kota di Jawa Barat taun 2013jeung nu dipilih tina daptar calon panari -ma taun 2011 jeng 2012 nu can hasilmeu nang pangajen, sakabehna geusngaliwatan seleksi ti mimiti ngayakeunrapat-rapat jeung verifikasi ka Cirebon,Majalengka, Garut, Bogor, Sukabumi,Purwajarta, subang jeung di jero kotaBandung.

Ngeunaan pamedalan buku “SejarahKabupaten Ciamis” nu harita dipasrah -keun langsung ku gupernur ka PupuhuMajelis Luhur Paguyuban RundayanPrabu Galuh Pakuan-Ciamis H.Rd. IkikLukman Soemadisoeria, sabenerna reali -sasi tina jangji Pemprof Jabar ka WargiGaluh (ciamis) dua taun katukang.”Bukunu mangrupi revisi tina karya sabalad-balad nu diserat taun2003 ieu, teu acannyugemakeun, margi dipidamel dinawangktos nu samporet”, kitu saurnatamada.***Asep GP.

Gupernur Ahmad Heryawan: Sapuk, Insyaaaloh ti Gedong Sate ka istana!

Gupernur nampi buku Sejarah Kabupaten Ciamis ti Pro.Nina Lubis.

Manglé 245744

KKatumbiri

Udagan Pamaréntah KotaTasikmalaya geusan nga -wujud keun sesebutan Kota

Resik, bisa jadi bakal tingal lalambéupama sakumna warga Kota teudaria milu aub ngarojong sacaranyata kana program kaberesihan nukiwari keur dikeureuyeuh ku pihakPemkot Tasikmalaya.

Pikeun nyadiakeun fasilitas geu-san ngamotivasi masarakat sangkanbisa ngolah runtah nepi ka jadibarang anu mibanda ajén ékonomis,Pemkot Tasikmalaya, dina tengah-tengah bulan Nopémber nu kaliwat,ngayakeun “Expo Pengelolaan Sam-pah Mandiri 3 R (Reduce, Reusejeung Recycle) Taun 2013” di Ra-mayana Mall di Jalan H.Z.MustofaKota Tasikmalaya.

Ceuk katerangan Kadis CiptaKarya, Tata Ruang & KebersihanKota Tasikmalaya. Ir.H.TarlanM.Pd., tujuan diayakeunnana acara“Expo Pengelolaan Sampah Mandiri3 R” téh sangkan masarakat bisangolah runtah sacara mandiri.Masarakat bisa ngaminimalkeunruntah nu dipiceun ka TPSA (Tem-pat Pembuangan Sampah Akhir) dikampung Ciangir, nu dina émpronabisa ngaminimalkeun waragadoperasio nal sarta ngawét-ngawétumur kapakéna TPSA Ciangir.

Tujuan séjénna, ceuk Ir.Tarlan,ngajurung sangkan paripolah hirupmasarakat jadi beresih tur séhat,ngawujudkeun lingkungan hirupanu beresih tur sehat, sartanuwuhkeun lingkungan ékonomipikeun masarakat Kota Tasikmalaya.

Kagiatan Expo ngaaubkeunmasarakat anu sadia tur boga komit-men sarta sumanget dina ngolahruntah di lingkungannana kalawanmandiri, nu bisa ngarobah kabiasa -an ngolah runtah tina Kumpul –

Angkut – Piceun jadi Pilah –Kumpul – Olah – Angkut – ProsésAhir nepi ka mibanda niléyékonomis anu nguntungkeun. Expodipiluan ku masarakat 25 RW ti Ka-camatan Indiang, Kawalu, Cipedes,Cibeureum, Mangkubumi, Tawang,Bungursari, Tamansari, jeungPurba ratu. Acara ogé dipiluan kupamilon ti SDN Sukamanah 2,SMPN 123 jeung, SMK Negeri 3.

Pikeun ngareuah-reuah acaraExpo 2013, panitia ngayakeun lombaédukatip jeung kréatip 3 R nu di -piluan ku para pelajar. Wangunlomba aya opat rupa, nyaéta Lombadesain wadah runtah tingkatSMA/sadarajat, lomba kréatifitasdaur ulang runtah kategori tingkatSD/SMP, SMA & sadarajat, lombadesain busana tina barang uruttingkat SMA/sadarajat, sarta lomba“fashion show” barang urut tingkatSD/SMP/SMA & sadarajat.

Ngeunaan runtah kénéh, KadisKebersihan Ucu SurahmanM.Pd.,ngajéntrékeun ka Manglé, tinatumpukan runtah sa-lots Tasik nulobana kurang-leuwih 1.650 M3 téh,nu kaangkutna karék 600 M3.Pikeun ngungkulan tumpukan run-tah nu sakitu lobana, Bidang Keber-sihan idéalna kudu boga 45 “dumptruck”, 15 “armada roll”, jeung 3 alatberat.

Sangkan leuwih babari dinangolah na, Kabid Kebersihan umajakka masarakat sangkan daék misah-misah runtah organik jeung runtahnon organik, lantaran runtah orga -nik téh kacida pisan hadéna keurnyieun gemuk organik. Runtah nugeus teu bisa dimangpaatkeun kududipiceun kana tempat nu geusdisadia keun. Tanpa bantuanmasarakat, udagan Kota Tasik jadikota anu beresih tur asri téh moalngawujud.*** Uun Juharianti.

Wujud Kota Resik PerluPangrojong Masarakat

Gupernur nampi buku Sejarah Kabupaten Ciamis ti Pro.Nina Lubis.

45Manglé 2457

Loba cara pikeunngawanohkeun sarta nga -mumulé seni budaya Sunda di

paguron luhur, di antarana kungayakeun kagiatan-kagiatan nusipatna kasundaan saperti seminar,diskusi, jeung pagelaran kasenian.Di unggal paguron luhur di Bandungatawa di Jawa Barat biasana sok ayaUnit Kagiatan Mahasiswa (UKM) nusipatna kasundaan, upamana diUnpad aya Lises (Lingkung SeniSunda), di ITB LSS, UPIKabumi/Lisenda, Unpar Listra,Unpas Lisma, STKS Garnida, jrrd.Tapi teu sakabéh paguron luhurboga UKM kasundaan, tapi éta halteu jadi hahalang pikeun para nono-man/generasi ngora/mahasiswa nutékadna bener-bener hayangngahirup-huripkeun budaya Sunda,contona para mahasiswa kelasréguler jeung kelas karyawan Juru-san Manajemén AdministrasiPerkantoran dan Akuntansi

Akademi Sekretaris dan Manaje(ASM) Ariyanti Bandung, nu leuwihmilih ngayakeun kagiatan nga -mumulé kasenian Sunda dina jamanGlobalisasi minangka pilihan bébasdina cara ngalatih nyieun citra, matakuliah “Public Relation”(PR/Humas).

Éta kagiatan ngamumulé kase -nian-kabudayaan Sunda téhdilaksana keun di Graha ASMAriyanti Jl.Pasirkaliki 127-129-131Bandung (4/12) kalayanmintonkeun Teater KSSI STKIP Sili-wangi, Ensemble Tikoro, RampakKendang Sakatalu IMB Trans TV,Jaipongan, Katuangan/KulinérSunda, jeung réa-réa deui. CékPupuhu Palaksana, Mirna Rahma -wati, maksud jeung tujuan kagiatan“Ngamumule Kasenian-KabudayaanSunda di Tengah Era Globalisasi”,taya lian pikeun ngamumulé jeungngawanohkeun kasenian-kabudaya -an Sunda ka para nonoman/maha-

siswa. Sabab dina jaman globalisasiayeuna para genersi ngora Sundaleuwih mikaresep kabudayaan deu -ngeun/modéren tibatan budayatradisio nal. Nya tina kahariwang bu-daya urang bakal tumpur kari caturatawa diaku ku batur, éta kagiatandigelar. Nu hasilna dipiharepmasarakat jeung para rumaja bakalmikawanoh, mikanyaah, sartamikareueus kana kabudayaannasora ngan.

Kagiatan ngamumulé kasenianSunda nu mangrupa bagéan tinamata kuliah Humas/Public Relationalpukahna para mahasiswa ASMAriyanti téh, meunang pangrojongjeung aprasiasi ti Direktur AkademiSekretaris dan Manajemen Ariyanti,Dr.Deni S. Hambali M.Si. Kagiatanngamumulé kasenian Sunda dinasatengahing jaman globalisasi, cékDeni, mangrupa nu munggaran diAriyanti mah. Meureun latan panga -ruh ti Walikota Bandung, RidwanKamil, nu mimiti ngagedurkeun deuiidéntitas kasundaan. Mugia wé atuh,cenah, bisa ngaronjatkeun éksisténsikasundaan di Ariyanti nu mangrupabagéan ti Jawa Barat. Da salila ieu gédi Lembaga Pendidikan dan Pelati-han (LPP) , pendidikan non formalAriyanti -budaya Sunda terusdimekarkeun saperti ngayakeunpelatihan “Adat Pernikahan Sunda”.

“Cindekna Ariyanti gé salami ieungiring ngamumulé kabudayaanSunda, margi Ariyanti mangrupibagéan tina kasundaan. Mugia kuayana kagiaatan ieu, tiasa nga-malirkeun bakat para mahasiswadina kabudayaan Sunda,” pokna,bari miharep di kampus Ariyanti ka-hareupna aya UKM kasundaan,pikeun wadah para mahasiswa dinaenggoning ngamumulé budayaSunda.***

Asép GP.

Ariyanti Ngamumulé Kasenian SundaDina Jaman Globalisasi

Manglé 245746

KKatumbiri

Wanoja mibanda peranan anustrategis dina nyanghareupankasusah hirup, utamana bidang

sosial. Saperti dina pasualan nguranganjumlah warga anu masakat, atikan,“kesetara an gender”, nurunkeun angka in-dung nu maot alatan ngalahirkeun jeunganakna, ngurangan kasakit nu népa,ngabebenah lingkungan hirup, sarta aubdina gawébareng global.

“Éta tangtangan téh sadayana ayapakaitna sareng peranan wanoja di kula -warga, masarakat, ogé dina program gawéorganisasi wanoja,” kitu ditétélakeun kuSékda. Kaab. Bandung, H. Sofian Nata -prawira, dina kagiatan milangkala ka-14Dharma Wanita Persatuan Tingkat Kabu-patén Bandung, di Gedong Déwi Sartika–Soréang, sawatara waktu nu kaliwat.

Minangka organisasi istri PegawaiNegeri Sipil (PNS), dharma wanita, ceukSofian, kudu bisa jadi motivator ka salak-ina sangkan gawéna leuwih rancagé, turngabdi ka masarakat saluyu jeung normanu aya. Salian ti kitu, anggota dharmawanita kudu jadi tuladan keur masarakat,utamana dina ngurus rumah tangga.

Salila ieu, hadirna organisasi wanoja diKabupatén Bandung, kaasup dharmawanita, geus méré kontribusi nu gedépisan, utamana kana prosés pangwangu-nan nu kiwari keur lumangsung di Kab.Bandung kabupatén.

Sesengkeun panaséhat DharmaWanita Persatuan Kab. Bandung mah, Hj.Kurnia Dadang Naser, nandeskeun,anggota dharma wanita diperedih sangkanleuwih némbongkeun peranna dina milunyukséskeun pangwangunan, tur milungarojong kana program pamaréntah nutujuanana pikeun karaharjaanmasyarakat.

‘’Mung pami kedudukan di kulawargamah, anggota dharma wanita téh istri nudipiharep tiasa ngadampingi turngadukung kaberhasilan carogéna nusetatus na PNS. Aya hiji ungkara nunyebat keun yén suksésna carogé alatanaya dorongan ti istrina,” pokna.

Nia ogé ngémbohan, organisasidharma wanita bakal dipikabutuh lamun

bisa méré mangpaat ka masarakat. Kukitu na, sakumna anggota Dharma WanitaPersatuan Kabupatén Bandung kudu bisamangpaat boh keur kulawarga boh keurmasarakat nu aya disabudeureun -ana.***nunk

Bupati Bandung Dilélér SatyaLencana Kebhaktian Sosial

Sabada meunang pangajén “AdiupayaPuritama” ti Menteri Perumahan Rakyat,sawatara waktu nu kaliwat, Bupati Ban-dung, Dadang M Nasser, dilélér tanda ka-hormatan Satya Lancana KebhaktianSosial, alatan jasa-jasana dina “peri ke-manusiaan” sarta ngahangkeutkeuntarékah ningkatkeun karaharjaan sosial.

Pangajén “Satya Lancana KebhaktianSosial Tahun 2013” ti Presidén RIdipasrah keun ku Menko Kesra, AgungLaksono, di Lapang Karebosi Makasar,Sula wesi Selatan.

“Éta pangajén minangka aprésiasipamarén tah pusat ka pamaréntah daérahnu nu punjul préstasina, ogé kagungankarep ngungkulan pasualan sosial nu aya

di wilayahna. Ngungkulan pasualan sosialjanten kritéria pangluhurna dinapaniléyan kanggo éta pangajén. Alham-dulillah pamaréntah Kabupatén Bandungkénging peunteun anu positip ti pemerin-tah pusat,” ceuk Kepala Dinas Sosial Kab.Bandung, Dra. Hj. Nina Setiana M.Si.

Nina ngajéntrékeun, pasualan sosialnu disanghareupan pamérintah Kabu-patén Bandung éstu réa pisan rupana, timimiti “kesetaraan gender”, nguranganangka kamiskinan, ngeunaan lingkunganhirup nepi ka pasualan angka “kematianibu jeung anak” nu angkana terus nérékélterus.

“Éta pasualan téh kedah diungkulansanés wungkul ku pamaréntah, tapisasarengan, sabilulungan sareng sadayaélemén nu aya di masarakat,” pokna.

Saluyu jeung data nu aya, satutasna di-istrénan jadi Bupati Bandung Désémber2010, H. Dadang M. Naser geus narima 24pangajén ti pamaréntah pusat jeungprovinsi. Pangajén nu ditarima téh timimi ti sual tatanén, pendidikan, KeluargaBerencana, nepi ka “perlindungan konsu -men”.***nunk

Darma WanitaKudu Mangpaat keur Masarakat

Kadinsos: Hj. Nina Setiana

47Manglé 2457

LimpeuranTEU anéh. Di mana-mana di

sakuliah dunya, boh dina majalahboh dina koran atawa buku humor(heureuy) sok aya waé dongéng nulimpeuran téh. Lolobana nu bogalalakonna profésor (ceuk urang lem-bur mah polopésor). Teuing naonsababna, nu kacelukna téh profésormah limpeuranana, butakna, jeungbolorna. Padahal nyatana mahteusing kitu. Komo ayeuna mah lobapisan profésor nu ngora kénéhpisan, malah gareulis, laluis,Buukna gé hideung meles, sanajanbisa jadi disemir atawa dipikok.

Nu ieu mah lain dongéng profé-sor, carita nu kaalaman ku sora -ngan. Sarua dongéng limpeuran tapida kuring mah lain profésor.Hartina limpeuran téh lain milikprofésor wungkul. Tah JuraganGuru Elin, mun rék dimuat dinaManglé, ngaran kuring samarkeunwaé, bisi dipajahkeun limpeuran.

SisiranganDIUK téh dina sofa panghareup -

na, sajajar jeung istri gubernur, ka-halangan ku opatan, gegedénpropinsi wungkul. Pédah kaasuupkolot wé meureun, dina ondanganditulisan VIP. Méméh acaradimimitian gé maké sina asup karoha ngan VIP ngadagoan ibugubenrnur jeung sémah séjén. Tilawang ka jajaran panghareupna gé

ngabring dianteur ku protocol.Barang gék diuk, hapé ngageter

dina saku jas. Dibuka téh bet ayaSMS ti pamajikan. “Pa nganggo kaoskaki sisirangan, nya?”. Piraku dacan pikun-pikun teuing maké kaoskaki sisirangan sagala. Teu dibale-san SMS téh, sabada dipareuman,sup deui wéh hapé téh kana saku.

Panasaran, barang anonsernyebutkeun kuring kudu ka hareup,biantara bubuka, suku calana téhdisingsatkeun saeutik. Gusti, enyawé kaos kaki téh sisirangan. Nukatuhu kaos kaki pulas kopi tutung,ari nu kénca bodas.

Pamajikan nyahoeunana kuringmaké kaos kaki sisirangan téhpédah dina wadah seuseuheunn ayakaos kaki sisirangan.

NungguanASA ningnang ari ka onda -

ngan teu maké papakéan lengkeptéh. Komo ieu nu ngondangna peja-bat nu wawuh deukeut. Malah make”pisan” wanohna ogé. Ngomat-ngoma tan pisan, kudu datang. Ha-jatna gé di Pusdai. Cenah nu jadisaksi dina walimahanana gé guber-nur jeung réktor.

Among tamu boh nu wawuhjeung kuring boh nu teu asa-asa kapamajikan, ngabaragéakeun,sarasalaman. Nu ngaakangkeun, nungabapakeun. Kitu deui ka pamaji -kan aya nu nageuceukeun aya nungaibukeun. Srog kana méja tamu,rék nulis ngaran dina buku tamu.Rada diongko nulis téh. Rét ka han-dap kana suku. Gebeg, geuning candisapatu, maké sandal capit. Mepermanéh tina kareuwas, bada nulis,

ngaharéwos ka pamanjikan. “Aparék kana mobil heula, can makésapa tu, poho!”

Teu kabandungan, naha pamaji -kan téh ambek atawa nyeung -seurikeun. Sabodo teuing, kuringgura-giru ka luar deui, terus kanamobil nu diparkir rada jauh tinalawang,.

Adat, ka mana-mana gé arinyupiran, kuring mah tara disapatu.Asa raridu. Sok disesendal wé. Sapa -tu aya dua rampasan dina mobil téh.Sendal gé aya sendal capit ayatarumpah. Tepi ka nu dituju, kakaradisapatu. Boh ka kantor boh kapasamoan, otomatis, konci mobil di-cabut, terus wé ngalaan sendal,dikaos kaki terus disapatu..Tarapahili, sok maké sapatu hideungmun dicalana hideung atawa bulaodongker. Maké sapatu soklat munmaké calana gading atawa kopi.

Sup kana mobil, dikodokan kakolong jok, sapatu téh euweuh hiji-hiji acan. Kakara inget, kamari téhdikaluarkeun, sina disemir kubudak, apan isukna rék dipaké kaondangan téa. Can kaburu ditundadeui kana mobil. Gura-giru wé nele-pon kana hapé pamajikan. “Bu,wayahna Ibu wé ka ondangan téh.Sapatu teu kabawa. Punten wékituh, apa mah aya halangan.”Pamaji kan ukur kekecrék jeungistigpar.

Leuwih ti satengah jam, kuringnungguan pamajikan dina mobil.***

Konci Mobil BIASA, ari neundeun konci

mobil téh sok diselapkeun dina

Manglé 245748

MMimbar Atikan

Piwejang ka ParasepahPiwuruk ka Parasepuh

Ku Us Tiarsa R

calana lebah cangkéng, béh hareup.Lokétna jeroeun calana, koncijeung alarem narolol ka luar. Koncitéh iwal ti konci kontak, aya rémot,konci setang, konci imah, jeungkonci kamar. Kekencringan munkadupak ku leungeun téh. Arilokétna mah apan wadah STNK..Ngahaja éta téh, ambéh teu pohoMun aya pulisi mariksa, karinyabut STNK tina lokét konci. Ru-masa geus mimiti limpeuran, geuscueut ka hareup mah. Ari dicecekel,sieun cul di mana waé.

Orokaya ari ka cai, kapaksakudu ditunda, da konci téh muragari muka calana. Nunda konci téhsok dina luhur pipiding WC, dinaméja hareupeun eunteung, atawa diluhur urnoar . Nya kitu, sok rajeuntinggaleun, teu cara diselapkeundina calana, ka mana-mana ogétara lésot.

Apan kungsi tinggaleun di WCUPI. Harita téh aya séminar, kur-ing jadi narasumber. Méméhprung, ka cai heula. Sok konci téhdi luhureun urnoar. Lantaranburu-buru, teu inget kana koncimobil. Sup wé ka aula, séminarméh sapoé jeput. Inget-inget kanakonci basa nyabak beubeur, lebahbeuteung. Bet teu ngencring-ngencring acan. Ari bubar ariberengbeng wé satengah lumpatka WC, néang konci.

Leng ngahuleng. Kokotéténganbisi murag atawa salah neundeun.Weléh teu kapanggih. Horéng di-rawatan ku satpam. Tapi teu ujug-ujug sok, ditalék heula, mobil nusaha, nomer sabaraha pelatnomerna, dina STNK maké ngaransaha? Bener tah satpam téh, kuduati-ati jeung taliti. Tapi ninggang disorangan mah, keuheul wé, di-taléngténg kitu téh.

Asana selang genep bulan mahmeureun. Aya deui acara di UPItéh. Seminar deui waé. Teu pati lilaharita mah, ukur dua jam seminartéh. Tara tinggaleun ari ka cau mah,da geus mimiti rada bésér. Balik tiUPI téh ka jalan Gegerkalong teruska Sukahaji, bras ka Sétrasari, kaSarijadi, bras wéh ka tol Pasteur.Horéam ku macétna jalan ka Ci -

hampelas atawa ka Sukajadi mah.Mending ka tol, rada jauh saeutiktapi lowong.

Tepi ka pengkolan ka Cimahi,leu ngeun kénca nyabak beuteung.Gebeg téh, naha konci nu sasarinaaya di dina beuteung bet euweuh?.Léok mobil di kasisikeun. Tadinamah rék méngkol ka Baros, ti dinyamuter deui ka Pasteur. Ingetan téh,cara baréto pasti konci téhtinggaleun di WC.

Acan gé ka sisi pisan, geus nyéhseuri sorangan. Apan matak mobilmaju ogé maké konci. Teu siriknasurak. Henteu! Kuring teu limpeu-ran, geuning konci teu tinggaleun!***

Cai Panas SANAJAN urang Bandung pitu -

in, osok wé ngahodhod ari keurusum tiris mah. Mandi isuk-isuk gémaké sok hayang ku cihaneutsagala rupa. Komo geus kolot kieumah. Tara nitah sasaha, sok naheurcai ku sorangan wé rék mandi téh.Dina téko almunieum nu maké ha-tong téa. Naheur cai téh bisa di -selang lalajo televisi sagala, baringadagoan téko disada.

Ngeunteung kana pangalamanbatur nu kungsi cilaka, manjurawak ku cipanas. Cenah poho teudicitiisan, kuring mah tara ujug-ujug muka baju. Copélna sok di -samping anduk ari nyicikeuncipanas kana émbér téh. Apal,cinga golak satéko téh, campurnacitiis tina bak, genep atawa tujuhsiuk. Meujeuhna éta téh, panashenteu tiis teuing henteu.

Aya tilu kalina kajadian nu ayapatalina jeung cipanas téh.Kahiji, bada nyampur cipanas kucitiis, ujug-ujug gewur wéh man-jur awak tina sirah. Teu ingetsaeutik-eutik acan, harita téhmasih kénéh dicalana jero jeungmaké sarung. Sanggeus sarungjeung calana jero dilaan, bet jadibingung. Kudu kumaha bébéja kapamajikan. Dibéja keun sacéré -wélé na, sieun dipajahkeunlimpeuran. Ari nga bohong, pirakunyebut ngompol atawa nyeri beu-teung onaman.

Antukna sarung jeung calanajero téh dikelabkeun, rékdipoekeun wé, moal geruh. Tapi,limpeuran téh teu bisa disumputsalindung. Ngelab keun sarungjeung calana téh, dibarung ngala-mun téa, bet kana émbér nudieusi cihaneut keur mandi téa.Kabeh dipiceun. Atuh baringadégdég kabulusan, mandi téhku citiis tina bak. Caméwék asacai tina kulkas.

Ari nu kadua mah, cipanas tinatéko téh, cur kana émbérgedé.Nyiu kan cai tiis tina bak di-paké nyampuran cipanas. Na da teuengeuh, émbér gedé téh pinuh,malah lébér. Dicabak téh caméwékcai téh. Da geus ditaranjang, gewurwé mandi ku citiis. Teu haneutkuklu-kuku acan.

Anu katilu mah, ti dapur kakamar mandi bari ngajingjing tékodieusi cipanas. Sok genah indit kamasigit subuh-subuh téh ari geusmandi mah, teu rariged. Ngan arikeur usum tiris mah, kapaksamandi téh sok ku cihaneut, sieunincok jeung tiisna cai dina bak téhsok nyecep pisan.

Nyéta pikun téa meureun. Caipanas tina téko téh lain dikucur -keun kana émbér tapi kanaklosét. Cur wéh tepi ka méhbéak. Aya meureun sagelaseundeui mah, teu mahi keur wudu-wudu acan. Cukup wé keurkekemu mah. Teu kaharti kupikir nu jejeg, naha bet dikucur -keun kana klosét cipanas téh?Geus deukeut pisan kana mangsapikun téa wé meureun. Éta atudadina pipikiran téh maké jul-jolpapatah kolot, sakali-kalieunmah, sakur gonggo nu ngocor tiimah ka susukan, kudu dikucu-ran cipanas. Sagala rupa bibitpanyakit pasti béak kaléléd kucipanas. Kitu deui sabangsaningca cing atawa oray bakal paraéh.Inget ka dinya meureuin, numatak cipanas dikucurkeun kanaklosét téh.

Teuing ah, limpeuran mahlimpeuran wé.

***

49Manglé 2457

Manglé 245750

Dumasar tina sajarah ékologi,wewengkon Indonésia, kaa-sup Tatar Sunda, ditingker ku

tilu lempengan, nyaéta Indo-Australiaanu biasa ngeser ka beulah kaler,Eurasia anu ngeser ka beulah kidul-wetan; jeung Pacifik anu ngeser kakulon. Biasana lamun lempengan-lempengan eta diadu bisa nga-balukarkeun bencana alam atawamusibah, saperti lini, tsunami, jeungerupsi gunung api. Kulantaran kitu,henteu matak heran lamunwewengkon Indonésia katelah sabagepuseur wewengkon cincin api (ring offire). Risikona dina unggal waktuwewengkon di Indonésia bisa katara-jang musibah lini, tsunami, jeungerupsi gunung api. Contona wae, dinawaktu kamari ieu aya beja, GunungTangkubanparahu geus aya tanda-tanda jiga rek bitu deui. Pon kitu deuiGunung Merapi di Yogyakarta jeungJawa Tengah oge jiga arek bitu deui,totondenna loba pisan ngaluarkeunhaseup walirang. Malah, kiwari diwewengkon Sumatera Utara mah eu-keur katarajang musibah erupsi Gu-nung Sinabung.

Ku sabab kitu, enggeus sakudunasakabéh masarakat Indonésia dinaunggal waktu kudu waspada, saring -set pageuh iket taki-taki nyanghareu -pan musibah anu bakal tumiba,balukar tina erupsi gunung api, lini,tsunami, jeung sajabana. Hal ieu diantarana urang bisa nyonto pa-marentah jeung masarakat Jepang

anu leuwih sigap dina nyanghareupanbencana alam anu tumiba. Pa-marentah jeung masarakat Jepangguyubna ngurus bencana alam, lainwae sabada aya bencana, tapi ogeguyubna siap siaga dirarancangsamemeh aya bahaya, ngokolakeunprogram mitigasi jeung adaptasi ben-cana alam. Contona wae, pikeunngaronjatkeun rasa kasadaranmasarakat Jepang dina nyahareupanbencana alam tsunami, enggeus di-adegkeun Puseur Edukasi Tsunami diWakayama. Pon kitu deui di Kobe ogegeus ngadeg “Museum KewaspadaanBencana jeung Institusi RenovasiMasyarakat”. Puseur edukasi ieukacida pentingna pikeun ngadoku-mentasikeun kajadian rupa-rupamusibah atawa bencana alam zamanbaheula. Tempat ieu oge kacida pent-ingna pikeun pusat edukasi, sosialiasi,mitigasi, jeung ningkatkeun kasiaga -an masarakat Jepang dina nyang-hareupan sagala rupa bencana alam.

Lain eta wungkul, samalah disababaraha wewengkon anu pernahkatarajang tsunami, saperti di kotaMiyako, Kamishi, jeung Rikuzentaka,provinsi Iwate, kiwari enggeusdireno vasi deui ngagunakeun sistemrancang-wangun jeung sistem sosialanu leuwih siaga dina nyanghareupankamungkinan lamun aya tsunaminarajang deui kota Miyako.

Sim kuring kacida untungna dinabulan Juni 2013, bisa lolongok kasababraha puseur edukasi kasiagaan

urang Jepang nyanghareupan ben-cana alam, saperti Puseur EdukasiTsunami di Wakayama, MuseumKewas padaan jeung Institusi Reno-vasi Masarakat di Kobe, katut nyaksi -an langsung renovasi Kota Miyako, diprovinsi Iawate, anu kungsi ditara-jang tsunami. Ieu dihandap dongengpangalaman sim kuring waktu jalan-jalan ka puseur edukasi tsunami diWakayama.

Pikeun ngajugjug ka wewengkonPuseur Edukasi Tsunami di HiroHiro gawa-cho, Arida-Gun, Waka -yama Jepang, ti kota Kyoto, anujauhna kira-kira 121 km, make beusngan saukur dua jam satengah. Kusabab jalan rayana mulus jeung hen-teu pati macet jiga di Indonésia.Dibandungan tina sajarah, PuseurEdukasi Tsunami Wakayama(PETW) diwangun dina bulan April2007. Salian jadi pusat edukasi jeungsosialisasi soal bencana, kiwari PETWenggeus mekar jadi salah sahiji pusatwisata di Jepang. Tempat ieu ka -koncara pikeun wisatawan domestikUrang Jepang jeung wisatawanmanca nagara.

PETW biasana muka unggal poéRebo nepi ka poé Ahad, ti mimitipukul 10.00 nepi ka pukul 17.00, tapidina poé Senen jeung Salasa, katutdan waktu liburan taunan, saperti 29Desember-4 Januari biasana tutup.Pikeun asup ka PETW, nudaratang/wisatawan kudu mayartiket, anu gedena 500 yen keur de-

KKolom

Waspada NyanghareupanMusibah Alam

Ku Johan Iskandar

51Manglé 2457

wasa (kira-kira Rp 50.000), muridsatingkat SLTA 200 yen (Rp 20.000),murid satingkat SD jeung SMP 100yen (Rp 10.000). Tapi husus pikeunsiswa satingkat SD jeung SMP diJepang, anu boga tujuan kaperluankagiatan ekstrakulikuler sakola, biasa -na mayar tiketna cukup satengahharga.

Sajatina dumasar tina sajarah,zaman baheula wewengkon PETW diHirogawa, sering ditarajang tsunami,saperti baheula taun 1605 jeung 1854.Di wewengkon ieu oge kawentar ayasaurang pahlawan anu kacida gedejasana dina soal ngalaksanakeun miti -gasi jeung adaptasi bencana tsunami,ngarana Haemaguchi Goryo. Duma -sar tina carita, dina tahun 1854 waktuGoryo eukeur aya di imah, ngadadakpisan peuting-peuting aya lini gedepisan, ditambah tsunami narajang ba-sisir Kii Peninsula. Dina waktu harita,Goryo sacara heroik nyieun durukanku jarami-jarami paré. Pangaruhna,ku gurilapna caang ngempray seuneu,méré tanda ka sakumna warga désaanu eukeur ditarajang tsunamisangkan geuwat ngarungsi ka tempat-tempat anu luhur di pasir atawa gu-nung. Ku kituna, loba jalma salametjiwa ragana tina panarajang tsunami.

Lain eta wungkul, Goryo ogékakoncara suhud pisan ngawangundeui Hiro-mura bada katarajang ben-cana tsunami. Contona, Goryo nyum-bang waragad make duit soranganpikeun muruhan warga desa anu mi-gawé wawangunan tanggul jeung tem-bok di sapanjang basisir (seawall),pikeun nyingkahan caah lamun ayadeui bencana tsunami.

Ngawangun benteng tanggul,luhurna 5 m, panjangna 20 m, reu -jeung tembok basisir 600 m. Wangu-nan tanggul pikeun nyingkahantsunami rengse dina bulan Desember1858. Waragadna sagemblengna nga-gunakeun duit pribadi Goryo. Padahalwaragna gede pisan, di antarana di -gunakeun pikeun mayar buruh pa-gawé warga desa anu jumlahna56.736 jalma. Ku sabab HamaguchoGoryo loba jasana pikeun mitigasitsunami, henteu matak héran, kiwaripusara Hamaguchi Goryo jeung sea-wall hasil gawéna anu kacida pinujul -na, enggeus dijadikeun salah sahiji

monumen nasional penting di Jepang.Riwayat Goryo atawa “Inamura-no-Hi” ngaduruk jarami paré waktu kaja-dian ditarajang tsunami, enggeusdipublikasikeun di Amerika, hasilkarya Sara Cone Bryant dina taun1963. Saterusna, riwayat heroik Goryoenggeus ditulis jeung dipublikasikeundina buku-buku pangajaran muridsakola di Jepang.

Kiwari sagala rupa dokumentasi ri-wayat Goryo aya di Puseur EdukasiTsunami Wakayama. Di tempat ieu,bisa lalajo film lalakon waktu kajadiantsunami baheula. Ieu Film kacidapentingna pikeun ngaronjatkeunkasadaran sakabéh warga atawaparawisatawan anu daratang kapuseur edukasi tsunami. Film di -rarancang kacida moderenna, makétilu dimensi, jeung tata sora kacidaéndah na. Dina film ieu diputer kaja-dian tsunami zaman baheula jeungsegala rupa usaha mitigasina. Salian tiéta, kacida pentingna ogé, gedongpuseur edukasi tsunami ieu bisamulti guna, nyaéta bisa digunakeunpikeun tempat pangungsian daruratlamun aya kajadian tsunami deui.

Lain éta wungkul, bada nyaksiansagala koleksi jeung nonton film,para wisatawan ogé bisa nyaksiaanlangung ka tempat kajadianana,

nempo usaha-usaha mitigasitsunami anu enggeus dipigawé diwewengkon sisi basisir. Contonawaé, di tempat ieu bisa kati ngalsagala rupa pakakas serine pikeunbéwara lamun aya tsunami, tanggulanu luhur bari panjang, katut tém-bok disapanjang basisir. Sagala rupatuduh jalan pikeun evakuasi wargadesa lamun aya tsunami deui.

Kulantaran aya sagala programsosial, saperti edusikasi masarakatjeung nyiapkeun sagala wangunan fisikanu luyu pikeun usaha mitigasi jeungadaptasi bencana tsunami. Ku kituna,guyubna pikeun Urang Jepang mahngokolakeun musibah téh lain bada ka-jadian, saperti lumrahna di Indonésia.Guyubna urang Jepang mah, ngusaha -keun kasiap-siagaaan nyahareupanbencana atawa usaha mitigasi jeungadaptasi, kacida di per hati keun pisansaméméh kajadian. Ku sabab kitu, diJepang mah jigana lamun aya kajadianbencana alam téh, moal paciweuh teu-ing jiga di urang, tapi geus siap sayaga.Ku kituna, pangaruhna, jumlah korbanjiwa oge bisa bisa diminimalkeunpisan.***

Johan IskandarDosen Jeung Panalungtik

Lingkungan di Unpad

Tanggul nya luhur nya panjang, bari pinuh ku tatangkalan pikeun mitigasi jeung adaptasi bahaya tsunami.

Manglé 245752

BBahasan

Dalah M.A. Salmun anukawentar minangka ahlipadalangan (duméh nyerat

buku anu judulna Padalangan diPasundan, 1949), dina panganteur(“Bubuka”) buku Mahabharata(1949) nu dihijikeun tur disarung-sum ku anjeunna tina wawacan-wawacan laleutik aripis yasana R.Méméd Sastrahadiprawira jeungR. Satjadibrata nu medal saméméhperang, henteu ngabédakeun an-tara Mahabharata jeung lalakonwayang; padahal dina éta“Bubuka” anjeunna nyaurkeun yénR. Méméd jeung R. Satjadibratanganggitna éta wawacan téh nuladtina hiji buku basa Walandayasana Dr. Henriette W.J. Sa-lomons anu judulna GewijdeVerha len en Legenden van deHindu’s.

Ku lantaran kitu, Mahabharataanu dianggit ku R. Méméd jeung R.Satjadibrata nu tuluy disarungsumku M.A. Salmun mah lain lalakonwayang, tapi saduran tina salahsahiji karya utama dunya wedalanIndia, anu ongkoh jadi sumberlakakon wayang. Mahabharata nudianggit ku R. Méméd spk. mah kukituna béda tina lalakon wayang.Nu pangkatarana ku sabab dina étawawacan mah urang henteumanggi han panakawan Semarsaanak incu, padahal dina caritawayang mah, Semar saanak incutéh jadi tokoh anu salilana taratinggaleun, apan loba jalma anuresep lalajo wayang téh nganwungkul pikeun ngabandunganheureuyna si Cépot sadulur-dulur

baé. Tur Semar saanak incu téhmunculna lain ngan dina lalakon-lalakon nu dumasar kanaMahabha rata baé. Dina lalakonanu dumasar kana Ramayana gé siCépot sadulur-dulur salilana aya.Lamun dina lalakon nu dumasarkana Mahabharata, Semar saanak-incu téh jadi badégana Arjuna(Pandawa), dina lalakon-lalakonnu dumasar kana Ramayana mah,jadi badégana Batara Rama.

Mémang lalakon-lalakonwayang ogé, boh nu nyaritakeunPandawa jeung Kurawa, boh anunyaritakeun Batara Rama jeungRahwana, kabéhanana dumasarkana épik Mahabharata jeungRama yana anu asalna ti India.Tapi éta lalakon India téh dinapawayangan mah geus diropéadeui, nepi ka réa anu méngparnatina asalna. Salian ti ayanapanakawan Semar saanak incu

(jeung Togog panakawan musuhPandawa jeung Batara Rama), lobadeui parobahan jeung tambahan -ana. Tokoh Srikandi anu dina Ma-habharata nu asli ti India mahlalaki, apan dina wayang mah jadiawéwé, pamajikanana Arjuna nukadua, nu sanajan awéwé kasohorkaperwiraanana, nepi ka dina basaIndonésia jeung basa Sunda mahlamun aya awéwé nu teuneungngabéla kapentingan balaréa, sokdisebut “Srikandi”.

Drupadi anu dina Maha -bharata mah jadi pamajikan Pan-dawa babarengan limaanana,dina pawayangan mah ngan jadipamajikan Yudistira baé, dapolian dri mah henteu umum diurang. Gatotgaca anu dina Maha -bharata mah henteu pati réakacaritakeunana, dina pawaya -ngan mah apan jadi tokoh utamaanu pinunjul sarta boga lalakonsorangan tumali jeung rupa-rupaajianana (Brajamusti, Braja -wikalpa jeung sajabana anu mas-ing-masing bisa mangrupalalakon mandiri). Kitu deui ayalalakon husus nu nyaritakeunGatotgaca bobogohan. Dorna anudina Mahabharata mah hiji gurunu wijaksana ngatik para Pan-dawa jeung Kurawa, apan dinapawayangan mah jadi tokoh nujadi ulon-ulon kana kajahatan.Sabalik na ti Sangkuni anu dinaMahabharata mah jadi tukangngang sonan Kurawa kana kagoré -ngan dina pawayangan mahdigambarkeunana téh jadi purahngélingan Kurawa jeung purah

Mahabharata jeung Lalakon WayangKu Ajip Rosidi

53Manglé 2457

ngabéla Pandawa. Jeung réa-réadeui.

Anéhna carita-carita ngeunaanPandawa jeung Kurawa nu ditulistur dibukukeun di urang, pang-pangna nu dina basa Sunda,umumna nyekel kana babon asli tiIndia, jadi tara nyaritakeun Semarsaanak incu, jiga anu nulisna taralalajo wayang. Tapi ku balaréadisebut na téh “wawacan caritawayang” baé. Padahal anudicaritakeun ana lain lalakonwayang tapi lalakon tina Maha -bharata India. Sakaterang anu ka-panggih ngan aya hiji wawacan anudumasar kana carita nu hirup dinaalam pawayangan dina mangsasamemeh perang, nyaéta WawacanWayang Purwa, dianggit ku M.Winata Hardja.

*

Dina taun 1920-an, pangurus(“bestuur”) Pagoejoeban Pasoen-dan cabang Tasikmalaya kakura -ngan waragad pikeun ngadegkeunwangunan sakola H.I.S. Pasoendan.Pikeun néangan tambahanana, nyamedalkeun buku wawacan WayangPurwa anu dianggit ku M. Winata-hardja. Ayeuna mah pimanaeunnéangan dana pikeun ngadegkeunsakola ku medalkeun buku carita,komo deui wawacan! Tapi jiganaharita mah kaharti kikituan téh, dalamun henteu pikahartieun mah pi-raku disaluyuan ku para anggotapangurus Pagoejoeban PasoendanTasikmalaya. Teuing kumahahasilna, henteu aya catetanana.Ngan éta wawacan téh henteutamat sajilid, tapi mangjilid-jilid,tur jilid-jilid satuluyna mah henteudikaluarkeun ku PagoejoebanPasoen dan cabang Tasikmalaya,paling henteu ti jilid ka opat jeungsatuluyna. Jilid kaduana henteuaya jilidan jadi henteu kanyahoansaha nu medalkeunana. Ari jilidkatiluna henteu aya. Dina jilidkaopat henteu disebut numedalkeun ana, ngan aya kateran-gan dina jilidna yén “Noe gadoehhak kana ieu boekoe M.W. Elil,Indi hiang”. Jilid kalima henteu aya,tapi dina jilid kagenep jenengan

M.W. Elil henteu disebut deui.Naha henteu aya jenengan M.W.Elil téh ti jilid kalima? Wal-lahu’alam da jilid kalima mah hen-teu kapendak. Dina jilid kagenepnu medal taun 1930, ngan disebutnu nyitakna, nyaéta “KoerniaDrukkerij Tasikmalaja”, saruajeung anu nyitak jilid kaopat numedal taun 1928.

Teuing nu matak PagoejoebanPasoendan cabang Tasikmalayahenteu neruskeun medalkeunWawacan Wayang Purwa jilid-jilidsatuluyna téh naha ku lantaranpangabutuhna geus cumpon kuhasil ngajual jilid kahiji (jeungkadua katut katilu upama duananamasih dikaluarkeun ku Pagoejoe-ban Pasoendan cabang Tasik-malaya). Atawa ku lantaran sabadamedalkeun jilid kahiji (jeungmungkin jilid kadua jeung jilidkatilu) téh kabuktian hasilna ku-rang nyugemakeun nepi ka henteuterus medalkeun éta wawacan jilid-jilid satuluyna nepi ka anggeus.Ngeunaan hal éta henteu bisakateguh da buku anu kapanggihnepi ka ayeuna henteu lengkep,jilid-jilid nu aya ogé henteu kabéhaya kaca judulan, nepi ka henteukapaluruh naha dina jilid kaduajeung katilu gé aya panganteur tiPangurus Cabang PagoejoebanPasoen dan cabang Tasikmalayacara dina jilid kahiji. Dina jilid ka-VIIA (1935) – jilid panungtung anukapanggih, padahal dina tung-tungna masih aya katerangan yén“aya lajengna” kénéh. Wal-lahu’alam naha jilid ka-VIIB jeungsaterusna kungsi medal mangrupabuku atawa henteu, da bukuna hen-teu kapanggih.

Nurutkeun nu nganggitna dinajilid kahiji, éta lalakon wayangPurwa téh “kénging nanjasésélékét, ti dalang Djajaatmadja”,ngan henteu diterangkeun urangmana éta dalang téh jeung ng-awayangna maké wayang golékatawa wayang kulit. Padahal nunganggit ogé nétélakeun yén “ieunoe didangding, njoetat ti boed-jangga Tegal, noe loembrah diDjawa Koelon ….”. anu di -

sebutkeun béda rucitana jeunglalakon anu aya dina pakem Solojeung Kedu.

Wawacan Wayang Purwa sidikdumasar kana lalakon wayang, lainkana Mahabharata nu langsung di-tulad ti India (via salinan dina basaWalanda atawa basa Inggris). Dinaieu wawacan urang papanggihjeung Semar katut anak-incuna.Ngan béda jeung dina lalakonwayang pakem Solo, anak Semaranu disebut dina Wawacan WayangPurwa mah Cépot, Pétruk jeungDawala. Gareng mah henteu aya.Dina lalakon wayang golék Sundaapan anu disebut téh Cépot, Dawalajeurng Garéng, ari dina lalakonpakem Solo jeung Jogja anu disebuttéh Pétruk, Bagong jeung Garéng,Ari dina lalakon wayang pakemCirebon mah, anak-incu Semar téhaya dalapan, nyaéta Curis(Sekarpandan), Ceblok, Bitarota,Cungkring (Pétruk), Dawala(Udawala atawa Déwala), Bagong(Cépot, Astrajingga, Gurubug),Garéng jeung Bagalbuntung. Sala-pan jeung Semar.

*

Dina basa Sunda carita wayangatawa carita nu ditulad tina Maha -bharata umumna dianggit mang -rupa wawacan. Aya anggapanlamun carita wayang atawa caritatina Mahabharata ditulis dina basalancaran (prosa) karasana kurangmerenah. Geura urang imeutan diantarana Wawacan NalakasuraBoma beunang R. MachjarAnggakusumadinata, WawacanEkalaya Palastra jeung WawacanMintaraga beunang M.A. Salmun,Wawacan Ekalaya, Wawacan Pan-dawa Jajaka, Wawacan PandawaNgadeg Raja, Wawacan PandawaDiperdaya, Wawacan PandawaKasangsara, Wawacan PandawaNagih Jangji jeung saterusna nudumasar kana Mahabharata beu-nang R. Méméd Sastrahadiprawiranu dituluykeun ku R. Satjadibratanu nganggit Wawacan MepekBalad, Wawacan Baratayuda (duajilid) jeung Wawacan PandawaSéda, Wawasan Wayang Purwa

Manglé 245754

beu nang M. Winatahardja, Wawa-can Prabu Malawadurki beunangMoh. A., Affandie, jll. Méh henteuaya carita wayang atawa tuladantina Mahabharata anu dicaritakeunku basa lancaran dina basa Sunda.Cenah lamun carita wayang ditulisdina basa lancaran karasanacawérang.

Tapi anggapan kitu téh dinajaman wawacan masih jadi wangu-nan utama dina sastra Sunda.Sabada méh teu aya nu nulis jeungmedalkeun wawacan, kitu deui numacana gé beuki langka, Ki Um-bara malah nyaritakeun wawacan-wawacan dina basa lancaran,dimuat nyambung dina majalahManglé, nyaéta dumasar kanaWawacan Wayang Purwa beunangM. Winatahardja jeung WawacanPrabu Malawadurki beunang Moh.A. Affandie. Urang Sunda nu hen-teu wawuh kana wawacan jeunghenteu tapis kana nga-haleuangkeun guguritan dina rupa-rupa pupuh, kabuktian raresepeunmaca carita wayang dina basa lan-caran. Henteu aya basa cawérang!

Béda tina Wawacan PrabuMalawadurki anu dicaritakeundeui ku Ki Umbara dina basa lan-caran ti awal nepi ka ahir, Wawa-can Wayang Purwa beunang M.Winatahardja mah henteu mang -rupa carita anu ngaleunjeursalengkepna. Bisa jadi ku sababbuku anu jadi jejerna ogé henteukapanggih kabéh ku Ki Umbara.Nu dicaritakeun deui ku Ki Umbaradina Manglé sababaraha lalakonanu ditulad tina Wawacan WayangPurwa, tapi henteu ngaleunjeur,ngan masing-masing lalakonmang rupa carita nu mandiri.Sanajan sering nu boga lalakonnasarua atawa disebut-sebut dinalalakon séjénna, tapi saenyanamah masing-masing lalakon hen-teu “nuluykeun” lalakon séjénna.Hartina masing-masing lalakonbisa dibaca misah tina lalakonséjénna. Teu bina cara dina lalajowayang, apan urang téh dina sakalilalajo (sapeuting) ngan ngabandu -ngan hiji lalakon. Ku kituna carita-carita nu ditulis ku Ki Umbara

dumasar kana Wawacan WayangPurwa téh bisa dianggap minangkakumpulan lalakon wayang cara anusok dipintonkeun ku para dalang.

Nepi ka ayeuna sakaterang mahtacan aya nu ngulik lalakon-lalakonwayang nurutkeun pakem-pakemna. Dalah henteu mustahilloba pakem padalangan anu tacandituliskeun bubuhan apan caritawayang mah diguarna téh kudalang ari keur ngawayang tur aringawayang apan dalang téh henteudumasar kana téks anu geus aya,tapi sacara improvisasi. Unggalpakem diturunkeun ku guru kamuridna sacara lisan.

Ngan di Solo jigana aya pakemanu ditulis téh. Éta ogé ditulisna lainku dalang, tapi ku bujangga karaton(Ronggowarsito), jeung aya ka-mungkinan lain dumasar kanalalakon anu sering dipidang keun kudalang, tapi ciptaan sang bujanggaanu tuluy dijadikeun cece kelan paradalang. Béh dieu dalang wayanggolék Purwa Sunda, R.O. Parta-suwanda kungsi nulis buku basaSunda anu nyumber kana PustakaRajapurwa ciptaan bujangga Rong-gowarsito. Henteu mustahil bukuanu ditulis ku Partasuwanda téh ki-wari jadi cecekelan para dalangwayang golék Sunda. Lamun kitu,hartina lalakon wayang (galurna) nuditulad ku para dalang wayang golékSunda ayeuna téh nyumber kanapakem Solo buatan Ronggowarsito.Béda jeung jaman H. Winatahardjanyusun Wawacan Wayang Purwaanu cenah dumasar kana pakemTegal da ceuk manéhna mah pakemTegal téh “lumbrah di Jawa Kulon”.

Ku kituna Wawacan WayangPurwa nu dianggit ku M. Winata-hardja téh bisa dijadikeun di-jadikeun babandingan jeunglalakon wayang anu sok dipidang -keun ku para dalang wayang golékSunda di urang kiwari. Nganmasalahna kudu diusahakeunmeunang keun bukuna nu jejegnepi ka tamat. Paling henteu nepika jilid pangahirna anu kungsimedal jadi buku.

Urang gé terang yén salian tipakem Solo jeung Tegal téh aya

pakem Cirebon deuih. Duka nahapakem Cirebon sarua jeung pakemTegal? Lamun ningal ngaran-ngaran anak-incu Semarna mahsidik henteu sarua. Hanjakalsakate rang mah lakakon wayangpakem Cirebon gé nepi ka ayeunatacan aya nu nuliskeun. Dina taun1960-an kuring kungsi aya maksudnuliskeun lalakon wayang pakemCirebon tur dalang Kanda geus ker-saeun dijadikeun narasumberna.Ngan hanjakal kuringna kaburukatalian ku rupa-rupa pagawéan diJakarta, nepi ka éta rencana téhngan kaburu ngamimitianana baé.

Tangtu baé palebah pakemlalakon wayang mah urang henteubisa nyebutkeun nu ieu beneratawa nu itu salah. Sababkabéhanana ogé bener, teu aya nusalah. Ngan béda. Cara sakabéhpakem lalakon wayang nu aya diurang boh di Tatar Sunda boh diTanah Jawa, kitu deui di Bali, apanhenteu sarua jeung sumberna nuaya di India. Eta lain ngandungharti yén sakabéh pakem lakakonwayang nu aya di urang salah,duméh méngpar tina sumbernanu asli. Da di India gé loba vérsinaMahabharata téh.

Timbulna pasalingsingan dinapalebah dieu lain soal salah jeunngbener. Tapi ku lantaran ayanalingkungan jeung kapercayaan anubéda katambah ku ayana kréativi-tas para bujangga jeung paradalang di urang nu hayangnyaluyukeun lalakon nu datang tinagara deungeun anu béda ajén-ina jén hirup jeung ka-masarakatanana kana ajén- inajénanu nyampak di urang.

Ku ditulis dina basa lancaran,henteu didangding jadi wawacan,mudah-mudahan baris dipikaresepku generasi nu di sakolana henteukungsi diajar ngadangding atawamaca wawacan bari dihariring -keun, ku kituna ku usaha Ki Um-bara nuliskeun lalakon wayangdina basa lancaran téhmaranéhan ana jadi terang kanalalakon wayang, sanajan upamanatara sok lalajo pintonan wayang nubeuki langka baé.***

55Manglé 2457

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Perelu4. Sok dipaké dina acara wisuda5. Percaya7. Jalan karétaapi8. Bapana kolot urang9. Sangu11. Hujan leutik14. Hiasan dina puncak masigit16. Ngaran planét20. Itungan kakalian, titikelan23. Teu nyatujuan25. Paragi méré cisusu ka orok26. Walungan (basa Latin)27. Kajadian oyagna Bumi28. Lebé29. Dangong

KA HANDAP:1. Daun kalapa garing2. Tipung keur nyieun kuéh3. Tempat nu leuwih handap nu ditujuku cai4. Kacambah6. Ngaran manuk9. Nu ngajaga pangbérokan10. Konférénsi Tingkat Tinggi12. Waktu solat13. Paragi meuntas15. Kuring (Arab)

17. Wadah paranti mawa kadaharan nubisa disusun18. Walungan di Aprika19. Tutumpakan nu ditarik ku kuda21. Reueus22. Soré24. Siksa

Waleran diserat dina kartu pos, tém-pélan Kupon Tarucing Cakra No. 1423.Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lo-daya 19 Bandung 40262 paling leuir duaminggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1421:

1. Genta NugrahaJalan Pataruman 145 Garut

2. Wanti HeryantiJalan Rumah Sakit RT 03/04 Blk. 142Bandung

3. A. Suheri WirawanRT 04/08 Blok AA 85Pasirbiru - Bandung

1421K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Manglé 245756

LLempa Lempi Lempong

“Teu karasa sataun-sataunna téh,Lo.”

“Ngajorélat nya, Mang?”“Enya, Lo.”“Sésa tarompét barudak ngajugrug

kénéh di juru imah.”“Jeung solongsong pepetasan

deuih, Lo.”“Ih, bet kawas kana pélor bedil baé

maké istilah solongsong sagala.”“Ih da kawas sora bedil atuh. Éh

kétang kawas sora bom, tingjelegur arisaban malem pabaru téh.”

“Mapag taun anyar nyah, Mang?”“Enya. Ukur itunganana nu anyar

téh, nambahan angkana. Da panon-poéna mah angger kitu-kitu kénéh.”

“Mapag harepan anyar cenah ceukbatur mah, Mang.”

“Bisa jadi kitu, Lo.”“Harepan tinemu jeung kahirupan

anu leuwih maju ti taun kamari,Mang.”

“Amin.”

“Bet bangun nu pesimis kitu jawa-ban téh, Mang?’

“Lain pesimis Lo, tapi réalistis. Ariréa teuing harepan mah bisi kuciwakéh lamun teu tinekenan téh.”

“Ambuing.”“Taun ayeuna urang boga harepan

urang bakal boga pamingpin anyar,Lo.”

“Lain harepan atuh éta mah,Mang.”

“Har?”“Tapi geus jadi katangtuan, Mang,

lantaran pamingpin nu ayeuna geusbéak masa jabatanana.”

“Maksud téh boga pamingpinanyar anu leuwih tegas, adil, tur bisangalantarankeun urang saréréaleuwih raharja, Lo.”

“Harepan mah pamingpin nuanyar téh ulah hoby teuing naékkeunBBM, Mang.”

“Amin. Tilu kali.”“Harepan nu séjénna, Mang.”

“Naon deui, Lo.”“Pemilu dina taun ayeuna bisa

suksés. Lungsur-langsar tur tayariributan.”

“Amin.”“Tur ngahasilkeun para gegedén

anu beresih sarta nyaah ka rayat,Mang.”

“Emh.”“Ih, kalah humandeuar kitu geu -

ning?”“Enya, ti geus sababaraha kali

urang ngalaksanakeun pemilu tapigegedén anu makalangan tina hasilpemilu téh beuki kadieu kalah beukiréa carita négatipna geuning, Lo.Mana komo ayeuna mah geuningpamilon nu rék tandang dina pemilutéh kudu ngaluarkeun modal anugedé, kawas rék dagang baé.”

“Sugan wé aya hiji-dua mah nu ayapupurieunanana, Mang.”

“Amin.”“Papadaning kitu....”“Kumaha, Lo?”“Dina taun anyar ayeuna urang

Sunda boga harepan anyar.”“Harepan anyar kumaha, Lo”“Aya pamingpin Ki Sunda nu bisa

makalangan di tingkat nasional.”“Tah éta ngaranna harepan anyar.

Urang dukung ku urang saréréa.”“Bener, Mang. Sugan baé ari

pamingpin na urang Sunda mahkapentingan Ki Sunda téh bisa leuwihdiperhatikeun jeung diutamakeun.”

“Lamun kitu mah Mamang ogémoal golput.”

“Satuju, Mang.”***

Taun Anyar