Mangle 2482

57

Transcript of Mangle 2482

Page 1: Mangle 2482
Page 2: Mangle 2482

Pilihan geus ditangtukeun. Kari prak ngalaksana -keun ana. Saperti milih sistim démokrasi, karilarapna dina rupa-rupa kahirupan, kaasup dina

cara nangtukeun pamingpin nagara jeung pamarénta-han.

Démokrasi jadi kacapangan. Malah, jadi kaagulanjeung andelan. Ngan, dina larapna mah remen nogén-cang antara nu samistina jeung nu mengpar tina sistimdémokrasi téa. Kitu téh, remen kasaksén dina waktunaéta sistim rék ditanjeurkeun.

Remen kasaksén, nanjeurkeun demokrasi gé teubabari. Kasakitna, di antarana, ngahontal tujuankalayan ngahalalkeun sagala cara. Balukarna, lobaatu ran anu dilanggar, padahal taat kana aturan téhbagian tina upaya ngalarapkeun démokrasi téa.Sabalik na, upama aturanana dilanggar, céda-céda

demokrasi moal bisa disumput-sumput.

Nanjeurkeun démokrasi dina milih pamingpin, kucara ngaharegan hak pilih masing-masing. Saha waéboga hak nangtukeun pilihanana. Hartina, éta hak téhkudu ‘murni’ jolna tina kereteg haténa dumasar kanatinimbangan pribadi masing-masing.

Mémang, dina nangtukeun pilihan, bisa waé ngajak-ngajak pihak séjén sangkan sapamadegan jeung dirina.Atuh, sakadar ngajak jeung ngayakinkeun batursangkan milih nu sarua jeung pilihan pihak nu ngajak,moal jadi ‘ceda’ kana demkorasi. Lir ngiklankeunbarang, salila ngalus-ngalus éta barang kalayan teu nga -gogoreng barang séjén, teu jadi pasualan. Kitu deui, numilih jeung ngalus-ngalus kandidatna, kawilang wajar,ulah soteh jadi ‘meuntas’ tina ngalus-ngalus calonnajadi ngagogoreng pihak sejen. ***

Nguji Larapna Démokrasi

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected] - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar

(Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana,

PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASE-

HAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa,

RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S.,

RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nan-

dang R, Narti. SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA

LAKSA NA Ayi Sundana, DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-

POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S,

Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, IKLAN Unay Sunardi,

Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih,

PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.

LLawang Sakéténg

Page 3: Mangle 2482

KOLOM

Nasionalismeu Ajengan

Asép Salahudin .................................. 4

LAPORAN

M. Budiana, S.Ip., M.Si.

Milih Pipresideneun

Rayat Kudu Leuwih Pinter ................. 8

BANDUNG - BANDUNG

Taman Kota Tina Dana CSR

Kudu Dicirian ................................. 10

IMPLIK - IMPLIK

Urang Sunda Sumatera Barat

Ngajaga Diri, Ngahontal Udagan ...... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Di Kiwari Maca Bihari ..................... 9

Nyusur Galur ................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Panineungan ...................................... 30

Aweuhan Pasundan ........................... 41

Gedong Sate ...................................... 42

Mangle Alit ....................................... 44

Katumbiri .......................................... 50

Bale Bandung ..................................... 54

Tarucing Cakra .................................... 55

Lempa Lempi Lempong ..................... 56

JAGAT WANGWANGAN

( KACA : 17 - 40 )

6LAPORAN

Pulitik Tanpa ÉtikaBagi-Bagi Rejeki jeung Jabatan

Po

tre

t D

ok. P

rib

ad

i

Di dieukuring matuh, di palatarandataranggang ka

pilemburan.Sabudeureunana kacapiringpating rumpuyuk, ngiuhan nu talibra di

alam kalanggengan.Mangpirang-pirang usum,hirup-hurip-

kuring di ieu wewengkon.Duka geussabaraha taun?Nu jadi patokan..

.............

SAKSI BISU

Page 4: Mangle 2482

3Manglé 2482

KKaca Tilu

Sanajan pada ngaku kana ayana,tapi umumna mah dipakéna téhngan tilu kali dina sataun. Kitu

gé bari jeung sok jadi adu rényom.Nyaéta dina unggal nyanghareupanmimitina puasa, nyanghareupaanlebaran jeung nyanghareupan lebaranhaji. Tilu kali sataun urang téh sokramé lantaran aya waé anu heula pan-deuri.

Keur mah eukeur nu ngarannawilayah Indonésia téh apan sakitulegana, manjangna ti wétan ka kulon,lain ti kalér ka kidul. Ari nu jadi pato -kan dina ngitung waktu apan bijiljeung surupna panonpoé anu anggermatok di wétan jeung di kulon.

Ku lega-legana nagara urang, apanwaktuna gé béda dua jam antara nuditungtung wétan jeung di tungtungkulon téh. Sakalina ninggang dinabulan Puasa, lamun anu di Acéh karékceuceureumeuan rék ngahaneutkeunkeur saur, anu aya di Papua mah geusanggeus salat subuh.

Salian ti éta urang téh tacan saluyudina matok hilal. Ari hilal apankeukeuh jadi patokan dina netepkeuniraha awal jeung ahirna puasa bulanRamadan, kitu deui dina netepkeunlebaran haji. Sabennerna mah hilalogé nangtukeun gunta-gantina bulandina pananggalan Hijrah téa, ngan arilebah bulan-bulan séjén mah teu di-anggap penting, matak taradibarandu ngan.

Ceuk Moedji Raharto, anusapopoéna merhatikeun muternaBulan, Bumi jeung Panonpoé, di urangtéh aya rumus 2-3-8 cenah. Angka 2,éta téh maksudna 2 darajat,

nuduhkeun luhurna bulan; angka tilu,maksudna sarua 3 darajat, patokanatawa sudut Bulan jeung Panonpoé;ari angka 8 patokan sabada ijtima.

Ku anu teu apal kana astronomimah bakal hésé kahartina. Anu matakteu sambarang jelema anu bisa diper-caya ngitung nu kararitu téh. Ku kitu -na unggal nyanghareupan bulanPuasa, nu katimbang arahli téh kupamarén tah sok dikumpulkeun disinangariung di Kementerian Agama.Saksina ogé di sumpah heula. Lan-taran geus di sumpah, sagala caritaan -ana dianggap bisa dipercaya. Ari anudicaritakeun ana nyaéta perkaratémbong na hilal téa. Nu ti wétandibandungan kasaksianana soaltémbong na hilal, kitu deui anu tikulon. Sanggeus dikumpulkeun nyadibadami keun, maksudna pikeunnetepkeun patokan nu dua darajattéa. Geus nyumponan ka dinya atawaacan?

Kungsi cenah patokan 2-3-8 téhdiparakéna lain waé di urang tapi ogédi Singapura, Malaysia jeung Brunei.Tapi kadieunakeun geus aya usulsangkan éta patokan téh dirobahcenah. Nu matak kungsi kajadian nulebaran di Brunei jeung di Kalimantanbéda, padahal perenahna mah sa -ampar samak.

Ari kituna mah apan élmu astro -nomi ayeuna geus kacida majuna.Salahsahijina dina netepkeun sama-gaha, boh samagaha bulan boh sama-gaha panonpoé. Apan ari dina lebahnetepkeun samagaha mah di urangtacan kungsi kabéjakeun aya sidangitsbat di Kementerian Agama. Éta

katangtuan ngeunaan samagaha téhditetepkeun dumasar kana itung-itu -ngan élmu astronomi. Diitungna téhnepi ka enol koma detikna. Jeung taranyalahan. Dina sakalina samagahanateu bisa kasaksian lain teu jadisamagaha na éta mah lantaran cuaca -na waé keur angkeub. Anu solat sunatsamagaha gé tara nepi ka teu jadipédah samagahana teu katémbong.

Naha atuh henteu kitu waé dinanetepkeun mimitina puasa, lebaranjeung lebaran haji ogé? Meureun moalmatak jadi padungdengan. Di urangapan katangtuan pamaréntah dinanetepkeun lebaran kungsi teu patimaslahat lantaran kalah matak ha-seum kana opor.

Lantaran henteu sapuk dina netep-keun gunta-gantina bulan téa siganamah anu matak Pananggalan Hijrah diurang kapakéna ngan tilu kali dina sa-taun téh. Dina lebah bulan-bulanséjénna mah saréréa api lain waé.

Ari kituna mah arék dipakékumaha lamun angger teu sarua. Dinataun ieu waé lamun aya budak lahirdina bulan Ramadan, lamun nyatetnadumasar kana Pananggalan Hijrah,apan bakal teu sarua. Dina hiji mangsaengké, lamun kapanggih, teu mustahilbakal matak hélok ka anu manggihan -ana. Kumaha cenah ieu téh, tanggalnasarua tanggal 15, bulanna sarua bulanRamadan, taunna sarua taun 1435 H,tapi ari poéna béda, nu saurang poéSaptu nu saurang deui poé Ahad?Pira ku harita kudu diécéskeun, nu ieumah dumasar kana pananggalanMuhammadiyah, nu itu mah dumasarkana pananggalan NU. AM

Pananggalan Hijrah

Page 5: Mangle 2482

Mun kiwari aya nu cangcayakana nasionalismeu umatIslam, kaitung wajar. Sabab

jigana dina alam réformasi loba ting -pucunghul ormas Islam anu nyata-nyata nolak Pancasila, teu saluyu kanaNKRI, teu parok jeung kalolobaan ra-hayat. Aya anu teu weléh mupusti téo-pulitik skolastik kayaning ngajadikeunkhilapah-trans nasional jadi udagan -ana. Démokrasi diharamkan, pemiludibaidkeun kari-kari hirup kumbuhnadi Nusantara. Aya ogé nu teu kendatnineung ka jaman Kartosuwiryo majar -keun perjuangan pulitik Islam can tepika jucungna kaburu kabolér ditalikungku tentara.

Keur maranéhna mah, sakumahasok rajeun kadéngé dina sawatarahalaqoh na, Indonésia kiwari téh sasataya dina paseu makiyah. Badis perio -deu Mekah dina pajamanan KangjengNabi: pinuh ku pasipatan jahiliah. Bohjahiliah ékonomi, pulitik, kebudyaansok komo patékadanana. Ku kitunacenah nu diperlukeun ayeuna taya lianstratégi da’wah nancebkeun taohidsangkan weweg, “ngarebut” sistim na-gara. Tah lamun nagarana geuskabiruyungan Islam, ceuk pamanggih -na kakara solat, kisos, jakat, haji jeungsapuratina hukum kudu dilaksanakeun(periodeu madinah).

Papadaning kitu ari keur urangpasan trén mah Pancasila téh geus final.NKRI geus teu kudu diongét-ongétdeui. Ka teu teu ari. Lain ukur sasaranantara. Pancasila lir Piagam Madinah.Hiji mitsaq warga bangsa hasil ijtihadkaruhun dina raraga ngaheuyeuk na-gara sangkan timu jeung karaharjaan.Hirup panggih jeung huripna.

Pancasila jadi kalimatun sawa tem-pat pamiangan jeung tempat pangbali -kan tina sapuratina étnik anu méhleuwih ti 700, tina agama anu teusarua. Pancasila jadi tatapakan pulitik-

kultural mayungan sakumna rahayat.Jadi pangauban idéologis sakabéh anukumulendang di sakuliahing nagri.

Lir Piagam Madinah nalika Kang-jeng Rosul jumeneng. Ku anjeunna teudibéda-béda lebah naon agamana, teuditalék ti mana asal séké sélérna. Éstu -ning sauyunan ngolah Madinah. Tepika apan Robért N. Béllah mah nyebut -na ogé Madinah téh hiji conto nagarabangsa anu modérn. Rohangan publikdirawat kalayan daria, partisipasi umatdibagéakeun kalayan gemet, hujjah di-heulakeun tibatan rasa kaijid. Nganhanjakal kabéhdieunakeun utamanapasca khalifah Ali bin Abi Thalib sistimanu sakitu démokratisna anuditatahar keun ku Kangjeng Nabi di -bajak ku sistim daulah (karajaan) tepika kiwari.

Lemah cai

Keur urang pasantrén mah micintalemah cai bali geusan ngajadi téh hijicici rén kacintaan anu miang tinakeclak na kawening iman. Nasionalis-meu jeung religiositas dua hal anu geussakuduna henteu diaduregengkeun.Malah baheula mah apan populérhadis nabi hubbul wathan minal imantéh. Micinta lemah cai sabagian tinaiman. Keur sakola di MadrasahIbtidaiyah mah tepi ka ditalalar sagalahadis jiga kieu téh.

Sok komo apan nagara urang mahsasat ti baheula mula ogé geus kasohormasarakatna religius. Agama (Islam)kitu deui datang ka urang ngaliwatancara akulturasi. Agama jeung budayalokal diadumaniskeun. Pamustungan -ana méh lir gula jeung peueutna. DiSunda mah nya Haji Hasan Mustapaku anjeun dina sawatara dangdingnatos nyurahan kumaha sakudunaagama dalit jeung budayana (Sunda).

Éta lebah buméla ka bangsana,

umat Islam tong diragukeun deui. PoéPahlawan 10 Nopember 1945 apanasba bun nuzulna mah patali jeungréso lusi jihad (22 Oktober 1945) anudikaluarkeun ku NU ditandatangan kuKH Hasyim Asy’ari jeung KH WahabHasbullah. Eusina taya lian matwa -keun hukum fardu aén buméla ka na-gara RI anu kakara diproklamirkeunnu rék direbut deui ku urang Walanda.“Paéh di medan joang hukumnasyahid. Sawarga hancenganana,” kitu tiantara eusining résolusi téh.

Bung Tomo kitu, pingpinan laskarBPRI jeung Radio Pemberontakan,saméméh ancrub ngahudangkeunwawanén warga Surabaya tepi kaperlaya na, anjeunna dijajap ku WahidHasyim kanggo nepangan ramana KHHasyim Asy’ari. Nya ti antawisnadibekelan kecap Allohu Akbar pikeunnguniangkeun sumanget urangSurabaya. KH Zainul Arifin (LaskarHizbullah), KH Wahab Hasbullah(Barisan Mujahidin), KH Masykur(Laskar Sabilillah), Batalion PETA nuampir satengahna dipingpin ku paraajengan aya di baris panghareupnadina peristiwa 10 November 1945.

Mun kiwari loba kacaturkeunpartéy Islam korupsi (atawa partéynaon waé), dana haji ditilep, penga -daan al-Quran dikorowod, nya ieu jiga -na anu teu nasionalis mah. Ka ngaranan korupsi teu aya pancakakinajeung agama, departemén, lalaki-awéwé, éstuning silib tina lampahsasab. Tandaning diri geus kabaud kupangwujuk nafsu. Kagéndam pang-goda sakadang sétan. Manusa geuspindah rupa jadi sato, teu nolih halalharam silih sogot silih ségag. Homohomi ni lupus téa, jigana. Beu.

*) Ésais, aktif di Poros Diskusi Lin-tas Batas, dosén di IAILM jeung UINBandung

KKolom

Nasionalismeu AjenganKu Asép Salahudin*

Manglé 24824

Page 6: Mangle 2482
Page 7: Mangle 2482

Manglé 24826

PAJURAWETNA pasualankabangsa an nyoko kana étika.Maksudna, étika geus teu dipaké

cecekelan dina ngawelah rupa-rupa kagia -tan anu patali jeung kahirupan bangsa,wabil husus naon rupaning anu makélabel pulitik.

Kitu anu kaungkab dina diskusi diLembaga Budaya Sunda (LBS) Unpas,Saptu, 14 Juni nu karék kaliwat, di Kam-pus IV Unpas, Jalan Setiabudhi, Bandung.Tilu panyatur utama; Drs. Aswan Haryadi,M.Si., Prof. Dr. Dede Mariana, jeungCecep Burdansyah, ngadadarkeunpamanggih na, dumasar kana tilikan pa -élmuan jeung profési masing-masing.

Taun ieu téh taun pulitik, duméh ayadua agénda penting dina kahirupanbangsa, nyaéta lumangsungna pemilujeung pilprés. Éta pangna Hawé Setiawananu karék sawatara bulan dipercaya ming-pin LBS Unpas milih pulitik pikeun jejerdiskusi anu diiluan ku para pakar dinawidangna. Pulitik dipatalikeun jeung

harepan Indonésia ka hareupna, utamanadina pérspéktif budaya.

Tina sawatara padungdéngan dinawaktu ka tukang-tukang, kitu ceuk Hawe,lamun nyaritakeun budaya Sunda,umumna sok terus néros kana kasenian,bari ambahanana ogé ukur saguliwekJawa Barat. “Tah, matak naon ayeunamah urang legaan ambahanana, meung-peung urang ayeuna keur aya dina atmos-fir pilpres. Anu kabandungan, aspékkultural dina gegederanana pilpres asa teupati kakobét. Anu jadi bahan carita téhkabéh ogé museur kana strategi pikeunjadi pihak anu unggul, ku ngadagangkeunfigur. Dina gegederanana perpulitikanayeuna, saréréa pahibut jeung asup kanaulekan téknik, lain étika pulitik.”

Ceuk panitén Aswan Haryadi, DekanFISIP Unpas, dina kagiatan pulitik ayeunaanu ébréh dina kanyataan sapopoé, béda -na antara cost politic jeung money politictéh geus ipis pisan. “Antukna jadi susahdibédakeunana. Dina kabuktianana, jual-

beuli sora geus dianggap ilahar. Uranggeus ngambah kana liberalisasi pulitik anusaenyana mah papalingpang jeung ajén-inajén anu jadi anutan urang.”

Satutas Indonésia merdéka, urangmilih démokrasi. Laju urang kajiret dinangagunakeun istilah pikeun démokrasi.Kungsi aya Démokrasi Liberal, terusDémokrasi Terpimpin, ditéma deui kuDémokrasi Pancasila, anu dina enas-enasna mah bet papalingpang jeung ajén-inajén. Istilahna Démokrasi Pancasila,upamana, tapi dina prakna mah geuskacida liberalna.

“Démokrasi di urang téh pang -pajurawetna di ieu dunya,” ceuk Aswan.

Liberalisasi geus teu napak kana étika,anu antukna ngébréhkeun hiji kondisi anuteu beradab. Dina kondisi kitu téh, rahayatkatalikung dina kamiskinan, baridikepung ku rupa-rupa jargon pulitik.Padahal, ari kahayang balaréa mah basa-jan, da anu penting mah asal pangabutuh -na kacumponan, anu ilaharna disebut:

sandang-pangan-papan, pleus kaséhétan,pendidikan, jeung rasa aman. “Kumahacarana sangkan sandang-pangan-papan-kaséhatan-pendidikan bisa kahontal kubalaréa. Enya, kahontal ku kamampuhbalaréa. Keun waé henteu haratis gé.Kahirupan sapopoé karasa tingtrim, hen-teu dibibira ku rupa-rupa hal anungalantaran keun rayat loba kasieun.”

Ceuk pamanggih Aswan, lamun nilikkana kondisi ayeuna anu sakieu paju -rawet na, asa moal cumpon ku 30 taundina mémérésna ogé. Dina dunyaperpuliti kan, anu pasuliwer kiwari téhpara petualang, entertainmen, jeung bro-ker pulitik.

“Iraha urang rék nempatkeun Sundadina posisi anu bisa diarambeuan batur?Anu jelas mah, anu jadi kacapangan jeungremen ditabeuh ku urang yén urang napakdina Sunda-Islam, pamustunganana mahjadi manipulatif,” pokna.

Dede Mariana nyebutkeun yén anukarandapan di Indonésia, ana ditilik dina

Sawala politik di Lembaga Budaya Sunda (LBS) Unpas

LLaporan

Pulitik Tanpa ÉtikaBagi-Bagi Rejeki jeung Jabatan

Page 8: Mangle 2482

7Manglé 2482

paélmuan, moal aya téorina. Ari sababnamah teu jelas tatapakanana. Maksudna,patukang tonggong antara sesebutanjeung praktékna. Dina jaman Ordeu Baru,upamana, lebah sistem ékonomi Pancasilaanu remen ditabeuh jeung didadagang -keun, apan ari bajuna mah enya koperasi,tapi anu ngokolakeunana bet kapitalis.

Dina ngalaksanakeun prosésdémokrasi, cacak di lingkungan kelompokanu mangarti gé, di perguruan tinggiconto na, da dina kabuktianana mah lebahriweuhna sarua waé jeung dina pilkada.Anu muncul téh budaya klik-klikan jeungtribalismeu, dirojong ku kasak-kusuk,kumaha carana sangkan kandidat anu di-jagokeunana suksés ngahontal jabatan.

“Cacak démokrasi di lingkunganmasarakat terdidik waé geus kitukanyataan ana,” ceuk Dede. Teu méréconto ka balaréa, kumaha ari démokrasianu séhat téh.

Saenyana, anu jadi rereged utamadina ngalaksanakeun démokrasi téh, dinaharti démokrasi anu enya-enya, laindédémokrasian atawa démokrasi ukurcangkagna, museur ka kelompk élit.

Anu jadi udagan téh kakawasaan.Partéy ngudag-ngudag kakawasaan. Tapiana geus hasil, éta kakawasaan téh rék di-gunakeun pikeun naon, jawabanana:kumaha engké.

Anu matak, cenah, rék saha waé anujadi presidénna, teu jadi jaminan bakalngarobah kaayaan. Sarua jeung teu jadijaminanana saha waé anu jadi gupernur,walikota, atawa bupati, kaayaan anukarasa ku balaréa mah bakal angger kawassasari. Ari nu jadi sababna, ceuk Dede, sis-tem birokrasi di urang tacan némbong -keun ayana unsur kompeténsi jeungprofésionalismeu.

Anu jeneng atawa dijenengkeun diurang, masih tacan ngagésér tina kondisidi jaman Mataram, anu dina jaman haritaaya nu disebut lungguh. Sing saha waéanu dibéré lungguh ku Sultan, manéhnakudu bisa hirup tina éta lungguh, malahkudu bisa méré upeti ka atasanana.

“Dina kaayaan geus euweuh nu bisadipercaya, mending gé percaya ka dirisora ngan,” ceuk Dede.

Ngeunteung kana anu geus kajadiandina mangsa ka tukang-tukang, satemen -na ari rahayat mah boga kamampuhpikeun survive. Dina ahirna rayat bogadaya tahan pikeun ngojayan sagarakahirupan.

Cindekna, kondisi kiwari téh beunangdisebutkeun geus taya pupurieunana.Geus matak sundek jeung darukdek. Tapi,ari ceuk Cecep Burdansyah mah, kondisi

ayeuna téh tong dipaké hariwang-hari-wang teuing. Ari nu disebut pasualan na-gara mah tetep waé aya problematikanadina sapanjang jaman gé. Da lamun urangngeunteung ka nagara batur gé sarua waékitu. Démokrasi di Malaysia, misalna,angger nyésakeun pasualan. Di Thailandgé sahwat militérna angger teu leungit.Kitu deui di Singapura anu kandel kénéhunsur otoritérna.

Mémang loba bédana antara Indo -nésia baréto jeung ayeuna. Baréto, copélnatepi ka jaman pamaréntahan PresidenSoekarno, étika pulitik téh dominan.“Ngan hanjakal gagal dina lebah néangansistem jeung prosedurna,” ceuk Cecep anupamingpin rédaksi Tribun Jabar téh.

Nincak kana jaman reformasi, sistem -na geus kapanggih, tapi gagal dina nerap-keun étika. Munculna caprés ayeuna, ceukpamanggih Cecep, duanana gé teu lepastina pasualan étika.

“Étika dianggap geus teu penting. Anupenting mah asal teu ngalanggar hukum.Tah, rayat téh ayeuna dididik kitu,” cekCecep, anu saterusna nyutat pamanggihBung Hatta yén ngipuk calon pamingpinsangkan miboga étika téh jadi pancénpaguron luhur.

Lamun tujuan utama paguron luhurtéh pikeun ngabentuk manusa susilajeung démokratis, anu engeuh kana tang-gung jawab enggoning ngaraharjakeunbalaréa, kitu ceuk Moh. Hatta, pamianganpendidikan di paguron luhur téh kudunyoko kana karakter, henteu ngan sukurcerdas. Pangkal pendidikan karakter téhnyaéta cinta kana bebeneran, tur ludeungnyebut salah kana hal-hal anu teu bener.

Ku sabab jauh tina étika, ancrubnakana kagiatan pulitik jaman kiwari mahgeus lain ngalaksanakeun tanggung jawabpikeun kamaslahatan balaréa deui, tapijadi jalan pikeun néangan kauntungankatut ngabagi-bagi rejeki jeung jabatan diantara babaturan sorangan.

Réformasi 1998, anu dina waktumimi ti digelar mah sasat jadi andelansaréréa, sanggeus nincak dua windu téhgeuning asa jauh kénéh tina harepan. Arinu jadi bibit pasualan nyoko kana leungit -na étika téa. Réformasi konstitusi henteunapak dina ajén-inajén anu geus nyam-pak, malah aya kesan dipaksakeun.

Kitu nu kaungkab dina lumangsungndiskusi. Éta anu karandapan ku urang téhteu mustahil aya kaitanana jeung raran-cang rohaka anu jolna ti nagara adidaya.Urang bisa ngeunteung kana lumang-sungna démokratisasi di Timur Tengah,anu pupilérna disebut Arab Spring. Na-gara di éta wewengkon, upamana waé

Mesir jeung Tunisia, katémbong ayaprosés démokratisasi. Tapi lamun diguarleuwih jero, démokratisasi di dinya téhahirna mah ngait jeung kapentinganAmerika Serikat. Da buktina, Arab anuangger monarki, tapi ku sabab teu nga-ganggu, malah nguntungkeun Amerika,angger teu digoméng-goméng, teudirobah sina jadi pamaréntahan anudémokratis.

Katémbongna aya tarékah sistemikpikeun ngancurkeun ajén-inajén anu geusnyampak dina kahirupan urang. Jul-jolkonsép anyar anu teu mustahil disatukangeunana mah nyamuni hiji tujuanti pihak luar anu nyieunna.

Hak Azasi Manusia (HAM), upamana,apan dina mangsa ka tukang-tukang mahdisebutna humanismeu, nyaéta agamatanpa Pangéran. Ceuk konsép HAM mahapan, perkawinan papada jenis, awéwéjeung awéwé atawa lalaki jeung lalaki,kudu ditarima, da éta téh kaasup hak asasimanusa, tur saha waé taya nu bisa nga -halang-halang.

Ari ceuk pamanggih Dr. Asep Shala -huddin mah, anu disebut étika téh masihkénéh aya, ngan impleméntasina ukur ditingkat personal. Maksudna, ari dinakahirupan sapopoé mah masih kénéh ayajalma anu jujur, upamana. Tapi, dinawaktu na asup kana koléktivitas, éta étikaanu dipiboga personal téh jadi kasilih -keun. “Dina kabuktianana, urang téh dé-fisit étika,” pokna.

Rarancang rohaka anu jolna ti na-gara batur henteu ngan sawates dinawidang démokratisasi institusi waé, tapideuih dina ngamangpaatkeun énergijeung sumber daya alam anu nyampak dinagara berkembang. Ieu rarancangdigodogna di paguron luhur, HarvardUniversity. Nagara urang ogé kaasup anujadi sasaran konsép anu jolna ti étauniver sitas.

Patali jeung kondisi ayeuna anu batansakieu, ceuk Prof. Dr. Asep Warlan, dinanyanghareupan pilprés bulan hareup,tong masualkeun saha anu bakal unggul.“Anu penting mah rék kumahasanggeusna aya kandidat anu unggul. Per-hatian urang mending kénéh di-puseurkeun kana pasca pilprés. Urangmending kénéh nyusun naon rupaningudagan katut rupa-rupa pasualan reu -jeung solusina, terus urang pasrahkeunpresidén anu kapilih. Urang sebut wé anudisusun ku urang téh: buku putih,”pokna.*** (Tatang Sumarsono)

*) Staf Khusus Bidang Budaya RektorUnpas

Page 9: Mangle 2482

8

Page 10: Mangle 2482

9Manglé 2482

TAYA saurang gé nungagambar keun yén jagamah nagara urang téh baris

jadi pangabetah rahayatna. Ayatiluan nu jadi panyatur dina diskusinu diayakeun ku Lembaga BudayaSunda Unpas, poé Saptu (14/6) téh,nyaéta Prof. Dr. Dede Mariana,Guru Besar FISIP Unpad, Drs. H.Aswan Haryadi, M.Si, Dekan FISIPUnpas, jeung Cécép Burdansah,Pemred SK “Tribun Jabar”. Aswanmah ngaguar perkara teu adu -manisna antara paripolahdemokrasi jeung budaya nu nyam-pak di urang. Dédé Mariana nyaritaperkara kaayaan paguron luhur nudina kanyataanana henteunémbong keun gedéna pancén étalembaga enggoning ngoméankahirupan. Ari Cécép nyaritaperkara étika anu geus henteu di-paraké, padahal sacara sistim mahurang di téh geus kawilanghararadé.

Maleukmeukna gambarannagara urang pikahareupeun téhupama sawanganana dumasar kanaparipolah pulitik nu dilaksanakeunku urang ayeuna. Démokrasi nu kuurang diwangun, pangpangnasabada répormasi, teuing rékldibawa ka mendi. Da ayeuna gé,sabada 16 taun urang ngajamananrépormasi, démokrasi téh asa beukiteu kaharti. Ku kitu téa mah bo -ngan urang, milampah démokrasitéh dumasar teuing kana téori. Aritéori demokrasi téa apansagembleng na mangrupa hasil piki-ran ti para pamikir Barat. Tangtuna

gé demokrasi nu diluyukeun jeungbudaya maranéhna. Ari budayamaranéhna tangtuna gé lain bu-daya urang, da alam jeung manusa -na gé beda. Urang mibanda budayasorangan, budaya Timur, nu céksakaol mah leuwih luhung mananbudaya Barat.

Lebah ngalaksanakeundemokrasi nu luyu jeung téoriBarat téa, urang ngarasa kacidaatohna basa aya nu nyebutkeun yénnagara urang téh nagara katilu nupangdémokratisna sadunya. KahijiAmérika, anu sok disebut nagarabiangna démokrasi, kadua India,jeung katilu nya urang pisan, Indo -nésia. Tug padahal boh Amerikaboh India apan lebah ngajalankeundemokrasi téh diluyukeun jeungkondisi budayana séwang-séwang.Demokrasi Amérika diluyukeunjeung budaya Amérika, demokrasiIndia diluyukeun jeung buadayaIndia. Teu sagemblengna ngalarap-keun téori demokrasi anu mang -rupa hasil pikiran para ahli téa. Tugpadahal para ahli nu ngarumus -keun bagbagan demokrasi téh apansakabéhna gé urang Barat. Tapi kuurang Baratna sorangan henteuieuh dilarapkeun sagemblengnadina kahirupan pulitik.

Ari urang, nerapkeundemokrasi téh mani hayang saruapisan jeung téorina. Teu wani bédalantaran sieun disebut teu ngarti.Antukna, lebah nerapkeundemokrasi téh henteu diadumanis -keun jeung budaya pulitik nu geuslila dipimilik. Ku lantaran henteu

adumanis jeung budaya pulitik anujadi banda urang, atuh terapna téhjadi ningnang. Urang nu geuskaruhan mibanda wandademokrasi sorangan kalah nurutanhayang ngajalankeun demokrasiliberal. Antukna jadi teu kurupjeung kahirupan. Puguh apan diurang mah aya nu disebut musa -warah pikeun mupakat hayoh kalahngaheulakeun one man one vote,atuh laku lampah pulitik téh jaditeu merenah, teu adumanis jeungbudaya anu geus lila dipibanda.Demokrasi nu kiwari keur di -pilampah ku para élit pulitik diurang téh, cék Aswan, ukurngahasil keun tilu “tipe” politisi,nyaeta makelar pulitik (politicalbrooker) , bodor pulitik (politicalenterteiner), jeung “petualang”politik (political adventurer). Éstuhenteu ngahasilkeun pulitisi nusaéstu, anu pancén utamana miki-ran karaharjaan rahayat.

Asa teu kudu leungiteunteuing harepan, cék Cécép mah. Dasagala rupaning sistim nu ngaturkahirupan urang saréréa mah apansakitu haradéna. Nu salah mah lainsistimna tapi jalma-jalma nungalaksanakeunana. Sistim anugeus sakitu haradéna téh henteudisartaan ku étika nu sawadina jadicecekelan sugrining jalma, boh nungalaksanakeun sistim téa boh nungan saukur kabaud wungkul.Cacak upama étika téa dijungjungluhur ku saréréa mah pikahareu -peun urang téh moal maleukmeuk-maleukmeuk teuing.***

DI KIWARI MACA BIHARI Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA

(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Nyawang Pikahareupeun Urang

Page 11: Mangle 2482

Manglé 248210

BBandung - Bandung

Pikeun ngahontal udagankota métropolitan numibanda wawasan lingku -

ngan, Kota Bandung terus nga-hangkeutkeun pangwangunan.Kagiatan pang wangu nan di KotaBandung salian ti sumberna tina tiAPBD (Anggaran Pendapatan danBelanja Daerah), aya ogé nusumber na tina CSR (Corpo rateSosial Responsibility), nyaéta dananu datangna ti pausaha an. Dinaprak-prakanana kudu jelas manawaé pangwangunan nu waragadnatina CSR sarta mana nu tinaAPBD. Lian ti kitu, masarakat ogékudu apal éta dana ti pausahan téhogé bisa dipaké ngawangun infra-struktur saperti jalan jeung salu-ran cai atawa drainaseu. Éta halditétélakeun ku Ketua Komisi CDPRD Kota Bandung, EntangSuryaman SH, ka Manglé sawatarawaktu nu kaliwat.

Entang ogé nétalkEun,pangwangu nan nu mibandawawasan lingkungan téh nyaétalingkungan nu séhat, beresih, tur

hégar alatan pinuh tatangkalan. Étahal katémbong ku ayana sababarahataman kota, sarta réa masarakat nungadon ulin ka éta taman. Tamanjeung leuweung kota dibutuhkeunpikeun ngungkulan polusi, alatanhawa di kota nu geus pinuh kuhaseup mobil jeung motor. Pang-wangunan taman kota réa nuwaragad na tina dana CSR. Tamannu dibangun tina éta dana kudunamah dipasangan tanda atawa makéciri sangkan saréréa arapaleunpausahaan mana baé nu milu nga-

Ketua Komisi C DPRD Kota Bandung, Entang Suryaman SH

Taman tina dana CSR kudu dicirian (nét)

Taman KotaTina Dana CSR Kudu Dicirian

Page 12: Mangle 2482

11Manglé 2482

bantu pamaréntah geusan nyipta -keun lingkungan anu hégar turseger.

“Dina kawijakan Perda RTRW(Rencana Tata Ruang Wilayah-réd),diamanatkeun yén di wilayah kotakedan aya RTH (Ruang TerbukaHijau-réd) nu ngahontal ka 30 per-sén tina legana wilayah. Kumargikitu, SKPD (Satuan Kerja PerangkatDaerah) nu aya patalina sareng éta

hal kedah satékah polah ngarojongsangkan tiasa ngahontal éta uda-gan,” ceuk Entang, anu kacatet mi-nangka anggota déwan ti FraksiDemokrat.

Taman kota nu diwangun disababaraha tempat di Kota Bandungkudu dipiara sangkan tetep asri.Tapi dina kanyataanana katémbongaya sababaraha taman di Kota Ban-dung nu kurang kapiara, barala kuruntah tur dijadikeun lapak PKL(Padagang Kaki Lima). Nungaradon ulin miceun runtah di-mana waé. Éta pasualan kudusagancangna diungkulan. Salahsahiji carana nyaéta kudu aya pa-gawé nu husus ngajaga sarta ngurustaman. Lian ti miara taman, éta pa-gawé ogé bisa negor warga nusambara ngan miceun runtah diwilayah taman.

Entang ngémbohan, salian tipangwangunan taman kota, danaCSR ogé bisa dipaké pikeun pang-

wangunan sarana tranportasi masal,misalna baé beus TMB (Trans MetroBandung). Sarana transpormasimasal mémang dibutuhkeun pikeunngurangan macétna patalimarga diKota Bandung. Papadaning kitu,dina prak-prakanana masih kénéhréa pasualan nu disanghareupan, diantarana can maksimal dina nyadia -keun sélter beus. Loba sélter beusnu ruksak sarta teu pati bisa

dipungsikeun. Antukna réamasarakat ngarasa teu tumaninahnungguan datang beus dina sélter.Hal sarupa kitu éstu kudu jadi per-hatian Dinas Perhubungan kotaBandung, sangkan leuwihningkatkeun pangawasan, boh kapihak katilu nu ngawangun sélterboh ka aparat sahandapeunana,sangkan henteu méngpar tina atu-ran.

Pangwangunan infra strukturséjén saperti nyieun atawa ngoméanjalan jeung drainaseu, bisa ogé makédana CSR, sok sanajan kiwari geuskatémbong réa jalan nu dioméanngaliwatan program unit réaksicepat. Saban aya laporan timasarakat ngeunaan jalan nu ruk-sak,langsung dioméan. Drainaseuogé geus katémbong terus dibebe-nah ku cara ngeruk runtah nu aya disaluran cai di kénca-katuhueunjalan. Papadaning kitu, masih kénéhbaé aya jalan nu tetep caah cileun-

cang lamun datang hujan, saperti dijalan by pass Soekarno-Hatta,perenah na di daérah Gedébagé.Hartina, tacan kabéh drainaseubérés dibebenahna.

Pikeun ngungkulanana, Wali -kota Bandung kudu ngageuingdinas nu aya patalina jeung étapasua lan, saperti Dinas Bina Margajeung Pengairan. Kudu dipadung -deng keun ngeunaan réana program

jeung kagiatan nu can réngsédjalankeun sarta pagawéan nu ku-rang alus kualitasna, lantaran kiwarimasih kénéh réa jalan nu ruksak tursusukan mendet.

Lian ti ngawangun, PamaréntahKota Bandung ogé kudu leuwihngutamakeun miara sarana jeungprasarana nu geus nyampak. Ogéngoméan sarana nu neueul kanakapentinga balaréa. Programperencana an kudu diolah sing asak,sangkan saban program atawakagia tan luyu jeung kabutuhan nunyampak. Ku kituna, moal ayawaragad nu nyésa alatan teu luyujeung kagiatan nu direncanakeun.Salian ti éta, ogé kudu ningkatkeunpengendalian jeung pangawasansaban kagiatan nu dilaksanakeun,pikeun ngaminimalisasi poténsirésiko nu bisa ngabalukarkeunkagia tan mandeg di tengah jalan,sarta teu éfésién, teu éféktip.***Cucu/Dédé

Drainaseu mengpet, jalan jadi caah (nét)Masarakat tacan tumaninah nunggguan beus d jero sélter (nét)

Page 13: Mangle 2482

Manglé 248212

NNyusur Galur

Minggu pengker seratan parantos dugi kamedar masalah Sawarga anu henteu jauhbéda na jeung anu dipedar dina Naskah Se-

waka Darma, Naskah Siksakandang Karesian nunyebut keun yén Moksa téh kaayaan jiwa (atma)anu mampuh asup ka kahiyangan, jeung sacaratandes ngabédakeun sawarga (tempat para dewa)jeung kahiyangan (tempat para hiyang). Asup kasawarga disebut Muggah, asup ka kahiyangan di -sebut Moksa atawa luput.

Dina Naskah Bujangga Manik bait 1435-1755,aya sababaraha lambar daun nu leungit tepi kapedaran ngeunaan sawarga jadi henteu jelas.

Ngeunaan kahiyangan teu jauh bédana jeungkahiyangan anu diungkabkeun ku Naskah SewakaDarma. Dina mangsa raga ngasupan jagat maut,sukma ngaleutikan tepi ka jadi saimbang jeungpara dewa, cunduk dina amparan jalan anungabulung bung ka patamanan kekembangan.Sabada liwat ka tempat pamariksaan Dorakala nujaga langit terus tumanya ka jiwa (atma) Dorakalanuduhkeun jalan ka sawarga (kasawargaan).Saterusna atma bakal ditarima ku upacara resmiliwat saruntuyan upacara anu diawalan ku karétaputih anu mawa sang atma, karétana dirarangkenankacida éndahna dipirig ku wirahma soratatabeuhan sawarga. Kaéndahan tanah surgawidigambarkeun ku istilah-istilah kaagungan. Upamamiang tina kosmologi nu mekar di Asia Tenggara,

dina ajaran Buda Mahayana pusat alam semestamah Gunung Meru, ieu gunung dikurilingan kutujuh barisan pagunungan, masing-masing di -pisahkeun ku tujuh samudra nu ngawangun bunde -ran. Di lautan pangluarna anu katujuh aya opatbenua, di opat juru. Benua nu aya kiduleun gunungMeru nyaéta Jambudwipa, pangancikan paramanusa. Di tilu benua séjéna ngancik mahluk-mahluk asing. Jagat raya ogé dikurilingan kudingding nu badag tina batu-batu karang nu di -sebut cakrawala. Di lamping gunung Meru ayasawarga panghandapna tempat opat raja besar nujaga dunya, di puncakna aya sawarga kadua tempat33 déwa lokapala jeung aya Sudarsana kota dewa-dewa nu dipingpin ku Indra. Luhureun gunungMeru lapisan-lapisan séjéna nyusun lapisan-lapisankahiyangan

(Geldern 1982, 4, 5 Dumency 1986,88,9). Ku kitu -na, katingal yén naskah-naskah jeung Carita Pantunbisa disebutkeun dina dasarna henteu miang tinaagama Buda jeung Hindu kuma ilaharna ajaranHindu jeung Buda nu asalna tina Budaya India.Ajaran Hindu jeung Buda diropéa saluyu jeungajaran Jati Suda. Upamana baé dina naskahSanghiyang Hayu jeung Sewaka Darma, leuwih kuatkabudaanana upama dibandingkeun jeung Bu-jangga Manik anu leuwih kuat kahinduanana.Sajeroning kitu naskah Siksakandang Karesian mahngarangkum duanana, Hindu Buda bari

Ka Sawarga atawa KahiyanganMangsa Raga Asup ka Jagat Maut

Page 14: Mangle 2482

13Manglé 2482

ngécéskeun yén Hiyang kalungguhana leuwih luhurbatan para desa jeung dunya dibagi tilu nyaétaDunya handap, dunya tengah jeung dunya luhur.Gambaran dunya tengah jeung akibatna jagaupama hiji jalma maot gumantung kana karmanapribadi Upama karmana hadé, manéhna bakalasup ka sawarga, sabalikna upama karmana goréngbakalna asup ka naraka. Dina ieu naskah, gambarankarma goreng jeung akibatna upama jalma asupka naraka diungkabkeun sacara jelas. Tumali jeungmiih lokasi boh karaton boh kabuyutan (Mandala/Padepokan, agama), milihna téh nyutat tina naskahbuku nu médal dina jamanna. Lamun Karajaan Ta-laga ngadeg jeung mekar diantara abad ka 14 tepika abad ka 16 bisa jadi sajumlah naskah dijadikeunpatokan. Situs gunung Bitung nu perenahna diperbukitan geus mangrupa kasajajaran antaramakrokosmos jeung mikroskosmos. Lalampahannanjak mudun tepika cunduk ka wangunan sucimangrupa wangunan berundak di puncak éta bukit,éta gambaran tahap demi tahap nu kudu diliwatanku manusa nu bakal ngahontal moksa/nirwana. Hijibudak nanjak tangga demi tangga (undakan demiundakan) nyorang kasulitan anu béda tepi ka cun-duk di tempat anu dituju. Saluyu jeung pedarannaskah-naskah téa pangpangna Sewaka Darmajeung Sanghiyang Hayu anu nyaritakeun kumahapetana jiwa (atma) tepi ka bumi kancana ( kamahagaiban sajati/ jatiniskala) atawa ka kanirasrayan(kabebasan pangluhurna) dina Sanghiyang Hayu.Saméméh cunduk ka alam transenden jiwa bakalasup liwat gerbang anu jero, situs gunung Bitungdigambarkeun liwat fenomena alam mangrupadingding gawir anu dianggap wates antara alammondial jeung alam transenden, tepat ngandatarah kalér-kidul saluyu jeung tradisi Sunda yénkidul sering jadi arah anu salawasna dianggap pa -ling suci sakumaha nu dipercaya dina tradisi Baduynu jadi prototipeu Sunda heubeul PerenahnaCikahuripan di situs gunung Bitung ogé perenahnakaler-kidul. Éta aer terjun atawa curug perenahnangidul. Karaton dina kosmologi di Asia Tenggarasalawasna jadi pusat dunya. Talaga anu jadi puseurkarajaan tepi ka kiwari hentu didukung ku sum-berdaya arkeologi nu nyukupan. Dumasar kanasumber tradisi. Situ Sangiang jeung Walangsujipuseur kota karajaan Talaga. Tapi sok sanajan kituhasil panalitian saheulaanan yén Situ Sangianggedé kamungkinan jadi tempat ngahiyang (moksa)batan patilasan puseur karajaan (karaton), Dumasarkana kajian toponimi ngeunaan ngaran-ngaran desasabudeureun situ Sangiang Kacamatan Banjaran,Desa-desa di Kacamatan Talaga jeung desa-desa di

Cikijing saperti Desa Suma, Darmalarang jeungsajaba na kudu ditalungtik deui anu leuwih jerotepika puseur dayeuh Karajaan Talaga bisakatalungtik, naha baheulana perenahna téh di-antara situ Sangiang jeung Walangsuji, atawa dimana.

Dina alam pikiran urang Talaga, gunung Bitungdisebut Lawang Talaga atawa Pintu Talaga. Sababdi tempat ieu pisan anu ngadegkeun Talagatatapa na, salah saurang ahli waris karajaan nyaétaRadén Panglurah ogé tatapana di gunung Bitungpikeun kenging pituduh ti Nu Maha Kawasa. Ku-lantaran kitu, gunung Bitung dipandang jadipuseur kaagamaan (kabuyutan) lain karaton kara-jaan. Waktu gunung Bitung jadi pusat pendalamanagama, karaton karajan perenahna di wilayah nuayeuna jadi situ Sangiang (wawancara jeungWiarsa 15 April 202).

Walangsuji

Walangsuji perenahna di Desa Kagok Kaca-matan Talaga. Nurutkeun sumber tradisi mun aréknyaba ka kawasan ieu, aya tempat anu dipercayagapura (pintu gerbang) ka Walangsuji. Lian ti kitu,di lebah dinya ogé aya alun-alun jeung pasar. Dikawasan ieu ogé aya tempat anu dikaramatkeunnyaéta gunung Palembang jeung Palembang Datar,patempatan anu dipercaya baheulana anu dipaképepestaan ku Palembang Gunung jeung usung-esangna Di Palembang Datar aya makam Sura -gebay jeung curug Wera Ganggeng jeung JurangJalupang. Di lebah dinya ogé aya makam anudipercaya makamna Palembang Gunung. Étamakam kahieuman ku rungkun awi haur. Loba anudatang jarah ka makam Palembang Gunung ieupangpangna anu daratang ti luar Talaga. Urang Ta-laga mah langka aya anu datang ka tempat éta,sabab dianggapna nu dikubur di dinya téh musuhRaja Talaga. Nurutkeun carita rayat, di éta tempatsering kapanggih barang-barang nu dianggappusaka kayaning keris, tumbak jeung batu-batupermata.

Tina buku : Sajarah Karajaan TalagaKarya : Nina H.Lubis (E.d).Ety Sarinendiyanti, Undan Ahmad Darsa, Mifta -

hul Falah.

**HRS/Hanca**

Page 15: Mangle 2482

Manglé 248214

MMunara Cahya

Dosa nyaéta milampah paga -wéan anu dilarang AllohSWT jeung RosulNa. Éta

panglarangan, écés tétéla kaunggeldina Quran, atawa hadis Nabi Saw.

Tapi kiwari, réa di antara umatIslam, nu gampang pisan milam-pah dosa. Nu jadi sabab, mungkinteu nyaho, yén éta téh dosa. Malahdosa badag (kaba’ir), dila’nat kuAllah SWT kalawan ancamanhukuman beurat kacida,boh didunya boh di ahérat. Atawamungkin papaharé. Lénglé. Teumiduli. Nganggap énténg. Nepi kababari pisan ngalakukeun paga -wéan dosa.

Sawatara kalakuan dosa nudanget ieu mindeng kajadian,nyaéta maéhan sasama jalma.Ampir unggal poé aya nu maéhanjeung dipaéhan. Di saban tempat,kalawan rupa-rupa cara. Sawaréhgancang kacukcruk ku nu wajib.Nu ngalakukeunana dicerek.Sawaréh aya nu ambleng teukaungkab. Padahal maéhan jalma,mangrupa dosa badag. Hukuman -ana beurat kacida. Dawuhan AllohSWT :

“Sing saha maéhan hiji jalmamu’min kalawan dihaja, wawales -na nyaéta naraka jahannam,manéhna langgeng saendeng-en-deng di dinya, Alloh bendu kamanéhna, ngala’nat sarta nganco -keun azab anu pohara”(Q.s. an

Nisa : 93). Saur Kangjeng Rosulul Saw,

maéhan hiji jalma, mungguhAlloh,leuwih hébat tibatan tilemnaalam dunya (hadis riwayat anNasa’i). Kaasup maéhan diri sora -ngan. Aral subaha nyanghareupanhirup,terus téga nelasan nyawa.Samarukna, pasualan bakal réngséku paéh. Padahal, kudunyanghareu pan pasualan anyarleuwih rosa batan nu kaalamankeur hirup.

Di antarana kudu nanggungdosa la’nat Alloh SWT. Sawatarakaterangan nétélakeun, jalma numaehan sorangan moal ngambeu-ngambeu acan kana seungitsawarga. Bororaah asup ka dinya.Jalma nu maténi diri sorangan,paéh mawa dosa nu moal kungsikatobatan. Ku kituna, moal meu-nang pangampura Alloh SWT nukagungan nyawa dititipkeun ka étajalma. Aya deui katerangan, siksaaherat pikeun jalma nu maéhansorangan, ku parabotna nu dipakématéni diri, Nu ngagantungmanéh, disiksa ku tali nu dipakéngagantungna, nu ngabebela kuseuneu naraka. Kitu deui péso,bedog,racun, bakal robah jadi seu -neu nu terus-terusan nyiksa tayakendatna. Dosa séjén, nu saruabadag, tapi mindeng dipapaharé -keun, nepi ka dianggap biasa,nyaeta sodomi. Milampah hubu -ngan séksual mahiwal tinakalumra han. Dina Al Quran,dipérélé keun kisah ngeunaan umatNabi Luth As, nu resep ka papadalalaki. Nya maranéhna dimusnah -keun sina ancur lebur taya nunyésa (Q.s.asy Syu’ara : 172-173).

Ngeunaan kisah kaum Luth,

sawatara tafsir nétélakeun,kajadian ana lumangsung kl.3.000taun saméméh Masehi. Di kotaSodom atawa Sadum. Malah dinakitab Perjanjian Heubeul mah,saja ba ti kota Sodom, disebut deuikota Gomorah, sarua padumukanjalma-jalma mahiwal kitu.

Pangna urang Sodom (jeungGomorah) nu katelah umat NabiLuth, resep “liwath” (kalakuanumat Luth, nyaéta Sodomi), lan-taran pangaruh kamajuan kahiru-pan maranéhna anu luar biasa.Umat Nabi Luth harita beuratbeung har lubak-libuk. Unggalwaktu hura-hura pépéstaan. Cam-pur gaul pagaliwota awéwé lalaki.Dimimitian ku prakték séks bébas,lalaki saha waé jeung awéwé manabaé. Nepi ka aya istilah “tukeurjago” jeung “tukeur bikang”. Silitukeur salaki jeung sili tukeurpamaji kan. Saha waé nu hayang,nu daék. Teu mandang salakiatawa pamajikan batur.

Lila ti lila, timbul rasa bosen.Ceuk maranéhna, teu aneh hubu -ngan lalaki jeung awéwé mahsanajan “séks bébas” ogé. Perluvariasi. Perlu nu mahiwal. Nyatimbul baé hubungan lalaki jeunglalaki (homo), sarta awéwé jeungawéwé (lesbi). Antukna nga -budaya. Jadi kalangenan.

Waktu Nabi Luth diutus ka étakaum, kalakuan mahiwal kitu téhgeus ngadaki. Teu bisa dionggét-onggét. Da’wah Nabi Luth dipung-pang. Malah sakur aya tamu lalakianyar ka Nabi Luth, sok di -goronyok. Pada ngagorényang -keun Kompo basa aya sababarahaurang tamu lalaki karasépngalalémpéréng. Padahal éta téh

Dosa-Dosa nu Sok Dipapaharékeun Ku Usép Romli HM

Page 16: Mangle 2482

15Manglé 2482

para malaikat nu nyamur. Ngabéja -an Nabi Luth, yen umatna barisditibanan azab. Kota padumukan -ana dibaliklemahkeun, bariditingga ngan ku hujan seuneu.Nabi Luth sakulawarga gancangnyalametkeun diri. Ari umatnakabéh ancur taya nu nyésa.

Ceuk sakaol, urut kota Sodomtéh ayeuna mindarupa jadi LautMati nu sabeulah aya diwewengkon Jordania, sabeulahdeui di wewengkon Palestina (SisiKulon). Pernahna 350 metersahanda peun beungeut laut.Dawuhan Rosululloh Saw : “Allahngala’nat jalma nu miyunikalakuana kaum Luth” (hadis riwa -yat Ahmad). Para ulamanétélakeun, sodomi haram. Dosabadag. Lain waé lalaki ka lalakideui. Tapi ka pamajikan sorangananu sah ogé, tetep haram lamunngawajiban lain kana parantina.

Ayeuna, aya kelompok atawakomunitas “sodom” nu disebut“gay” atawa “lésbi” (transgénder),terang-terangan ménta perlakuanhusus. Ngayakeun kawin sasamajenis, hak gawé, hak usaha,jsb,kalawan resmi. Alesanana HakAsasi Manusa (HAM). Lantarancenah kaum transgénder ogé pa-pada boga HAM. Papada boga hakhirup anu sarua jeung manusa nor-mal. Di sawatara nagara, paméntakaom trangénder téh réa nu geusditedunan. Amerika Serikat jeungPrancis upamana, geus ngesah -keun lembaga resmi pernikahansasama jenis. Kaayaan kitu, isukpagéto, moal boa nerekab ka saku-liah dunya. Padahal Alloh SWT NuMaha Uninga, geus jelas-jelasngancurkeun Sodom Gomorah lan-taran kalakuan pangeusina mahi-wal kitu. Sabab lamun diantep,tangtu baris nyebarkeun hal-halnégatip.

Di antarana, pegat turunan(regene rasi) umat manusa, jeungmahabuna panyakit HIV/AIDSSaupama Alloh SWT henteu

ngahukum ngancurkeun umatNabi Luth tilur taun ka tukang,tinangtu alam dunya moal mekarjeung ramé kawas ayeuna. Lan-taran regenerasi umat manusabakal pegat akibat kalakuan“sodomi” jeung ancaman panyakitHIV/AIDS téa nu geus kanyahoannyebar lantaran tina hubungan“sodomi” atawa “lesbian”.

Dosa badag séjénna, nyaéta ngi -num “khomr” (alkohol). Kajeunukur salamot jeung teu mabok.Sabab alkohol mangrupa inumannu dzatna diharamkeun. Lantaranharam, naha saeutik naha réa, nepika mabok atawa henteu, tetepharam. Dawuhan Alloh SWT :

“Maranéhna tumanya ka an jeun(Muhammad) ngeunaan “khomr”jeung judi. Caritakeun, dina étadua perkara aya dosa badag” (Q.s.Al Baqarah : 219).

Saur Ibnu Abbas, barang ayatnu ngaharamkeun “khomr” di-wahyukeun ka Rosululloh, parasaha bat gancang sili béjaan, yén“khomr” geus haram. Dosa pikeunnu nginumna, disaruakeun jeunsyirik (mapandékeun Alloh AWT).Saur Abdullah bin Umar,”khomr”mangrupa sumber sagala rupakagorengan jeung kajahatan. Dinazaman Rosulullah katut para soha-bat, sarta salila hukum Islamtumerap, nu nginum “khomr”ditibanan hukuman rangkét.Lamun teu kapok-kapok, geussababaraha kali nandangan hukumrangkét, pék deui pék deui nginum. ditibanan hukum pati. Dosabadag séjénna, malah tara diang-gap dosa, nyaéta tara beberesih(ngisang) saentas kahampangan.Rosulullh Saw, maréntahkeun,sangkan meresihan anggahotabadan tina cai kahampangan.“Siksa kubur, salah sahiji di antara -na, lantaran tara susuci tina najiscai kahampangan” (hadits) Muga-muga urang mampuh ngajaga sartangajauhan tina milampah dosa-dosa badag samodél kitu. Sartaulah nganggap énténg kana dosaéta***

internet

Page 17: Mangle 2482

Manglé 248217

TTanya Jawab

Patarosan:Ais Pangaping Tanya Jawab Mu-

nara Cahya anu dipihormat, sakedapdeui urang badé milih pamingpin na-gara. Milih pamingpin taun ieu mah,cénah seueur nu bingung. Supadosengké dina milihna henteu leupat, naonwaé ciri-ciri pamingpin dumasar kanaajaran Islam? Sim kuring ngantoswaleranana, kalayan sateuacannangahatur keun nuhun.

Wassalam,

Rahmat SetiawanCikandang Garut

Waleran:Sami-sami hatur nuhun kana sagala

rupi perhatosanana. Ngeunaan ciri-ciripamingpin dumasar kana ajaran Islam,garis badagna mah aya dina Alquran.Disebatkeun kieu: ”Jalma-jalma imanulah milih jalma-jalma kafir salakupamingpin bari mopohokeun jalma-jalma iman. Sing saha nu ngalakukeunsaperti kitu, mangka manéhna bakalpisah tina pitulung Alloh, angingsaupama karana siyasat pikeun miaradiri tina perkara anu dipikasieun timaranéhna.” (QS. Ali Imran, 3: 28).

Pamingpin dina ajaran Islam kacidapentingna, malahanan jadi tugas utamadina kahirupan urang sapopoé. Kusabab kacida pentingna, nepi ka lobadisebut-disebut dina katerangan, bohdina Alquran atawa dina Hadits Nabi.Sajabi ti kitu, pamingpin dina ajaranIslam tugasna pikeun ngurus umat anudipingpinna, jeung jaga dina poé ahératbakal dipénta tanggung jawabkapamingpin ana. Sakumaha pidawuhRasul: ”Tiap jalma jadi pamingpin,jeung satiap pamingpin bakal ditanyatanggungjawab kapamingpinanana.”(HR. Bukhari).

Imam Taqiyuddin al-Nabhani dinakitab ”Nizham al-Hukm fi al-Islam”nangtukeun sarat-sarat nu kududicumponan ku pamingpin dumasarkana ajaran Islam, nyaéta kudu mus-lim; balég (déwasa); lalaki; adil; jeungmampuh ngalaksanakeun amanatkapimingpinana, tegesna ngajalankeunkapingpinana dumasar kana KitabAlloh jeung Rosul-Na. Lian ti sarat-sarat éta, al-Nabhani nyebutkeun saratlianna nu mangrupa tambahan, sanésmangrupa kakuduan (kawajiban),nyaéta ”mujtahid”, hartosna ahli dinangagali (nyimpulkeun) hukum syara’tina sumber-sumber hukum syaranyaéta Alquran, Hadits sareng ijmapara sahabat. Teras manéhna nga -bogaan kawani jeung pinter dinawidang politik.

Salajengna, Syekh Abdul Qadim al-Zullam dina kitab ”al-Afkar al-Siyasiyah” nyebatkeun ciri-ciripamingpin, di antarana:

Kahiji, ngabogaan pamadegan anupanceg. Rosululloh SAW ngajelaskeunyén pamingpin kudu kuat tur pancegdina nyepeng pamadegana. Jalma anulemah henteu pantes jadi pamingpin.Hadits anu sumberna ti Abu Dzarnyarioskeun, wiréh Rosululloh SAWngadawuh: ”Wahai Abu Dzar, kuringnempo diri anjeun lemah. Tapi kuringnyaah ka anjeun saperti kuringmikanyaah ka diri kuring sorangan.Poma anjeun ulah hayang jadi paming-pin sok sanajan pamingpin ti dua jalma,jeung poma anjeun ulah hayang ngurusharta anak-anak yatim” (HR. ImamMuslim). Saatosna kitu, Abu Dzarnyarios ka Rosululloh SAW: ”YaRasulul loh! Naha gamparan henteumaparin jabatan ka abdi?” Lajeng Rosulnepak kana punduk abdi, baringadawuh: ”Wahai Abu Dzar! Diri an-jeun lemah, jeung saéstuna ari jabatanmangrupa amanah. Dina poé wawales(poé ahir) engké bakal jadi bahan

kahina an jeung bakal hanjakal, angingpikeun jalma anu bisa ngalaksanakeunaluyu jeung hakna, bari bisa nyumponansagala kawajibanana salaku paming-pin.” (HR. Imam Muslim).

Kuat jeung lemah, maksudnanyaéta kakuatan dina nyepeng jeungngalaksanakeun pamadeganana. Nya -kitu deui kuat pola pikirana (aqliyah)jeung kuat jiwana (nafsiyahna). Ku halkitu, pola pikir pamingpin kudu ngahiji(manunggal) jeung sifat kapiming-pinana. Nepi ka dirina bisa nganyaho -keun rupa-rupa masalah anu jaditanggung jawabna. Kitu deui jiwanakudu ngahiji nepi ka bisa sadar jeungmampuh ngalenyepan, yén dirinasalaku pamingpin, nepi ka bisangarahkeun léngkah-léngkahna.

Kadua, kudu takwa. Lantarankakua tan pamadegan pamingpinkacida pisan mangaruhan kanakapimingpin ana, mangka manéhna ogékudu ngabogaan cara keur bisangajauh keun dirina tina pangaruh-panga ruh anu goréng. Rosululloh SAWnalika ngangkat hiji pamingpin pasu -kan atawa ekspedisi pasukan husus,mangka mantena ngawasiatkeun kudutakwa jeung kudu ngalakukeun ka-hadéan ka umat Islam anu babarenganjeung manéhna (anak buahna).” (HR.Imam Muslim).

Katilu, boga sifat welas asih, jujurjeung merhatikeun rahayatna. Paming-pin kudu ngabogaan sifat jujur jeungwelas asih dina ngurus rahayatna, turmerhatikeun kana sagala urusanana,nepi ka sagala kabutuhana kacum po -nan. Sanés wungkul kabutuhan nusifatna lahiriyah, tapi ogé ruhaniyah.Cindekna pamingpin numutkeunajaran Islam, idéalna kudu ngabogaansifat-sifat anu dipimilik ku Rosul SAWnyaéta “Shidiq, Amanah, Fathanah,jeung Tabligh. Naha calon presidenurang luyu sarat dumasar kana ajaranIslam? Wallohu a’lam.***

Ciri-Ciri Pamingpin Nurutkeun Ajaran Islam

Page 18: Mangle 2482
Page 19: Mangle 2482

Manglé 248218

CCarita Pondok

Tungkul. Teu siriknabeung eut éta budakampir adek kana sisi

méja nu aya di ha reu -peunana. Dua leungeunnapataréma, ramona diorékbari diutek-utek. Kuring nganukur bisa melong dibarenganku ngarénghap panjang.Pipikiran asa baluweng, teu-ing kudu kumaha pijalaneun -ana keur ngawarah éta bu dak. Kahayang mah ngam-bek, tapi jaman kiwari téangambek gé teu bisa saga -wayah kudu maké uteuk bisikaduhung engkéna. Jalma ki-wari téa teu kaopan, nanaondilaporkeun, nanaon dipoto,nanaon disambungkeunjeung HAM. Kaimpleng,kumaha mun aya rekamanvideo kuring keur ambek-ambe kan di Youtube? Matakear sadunya, matak éar saja-gat maya. Salaku wali kelas -na, kuring tangtu kudutanggung jawab kanakaayaan murid-murid. Komoieu teu béja, teu carita, geussabulan pleng les teuing kamana. Pangpangna mahsakeudeung deui éta budakrék nyanghareupan ujian.Pisakumahaeun teuing munkepala sekolah nyaho eun, ayamurid kelas kuring bolos téhmani kacida lilana. Ieu mahbakat ku haat, ngadatanganheula ka imahna saacandilapor keun. Susugan an bisadiréngsékeun ku sorangan.

“Pa Jaja kudu ngarti, kunaon si Kamal tara sakola?Manéhna teh ngabantuankuring usaha!” ceuk bapanaKamal bari tipopolotot. Ku -ring teu béakeun mikir.Usaha naon atuh? Da

sakanyaho kuring, bapanaKamal téh teu boga gawé,ukur lantrak-lintrik teupuguh cabak. Kungsi mang-gih béja yén Kamal téh sokdipaksa ngabantuan bapananu moho pisan kana judi.Unggal poé, mun beurangKamal dipakieuhkeun, diutuhétah sagawé-gawé titah nyiarduit pikeun masang keur judi.Lamun peuting Kamal sokdibabawa judi purah mantu -an mangitungkeun. Cenahmah, mun dibantuan kuKamal, bapana sok remenmeunang.

Kuring ngarasa watir kudua ku tilu, ti leuleutik Kamalgeus ditinggalkeun kuindung na, kabur mawa adinanu orok kénéh, teuing kamana. Béjana mah indungnaKamal sok remen diteung -geulan ku salakina. Awéwémana atuh nu kuat bogasalaki kawas kitu ?

“Sumuhun Bapa, abdi géngartos. Mung kedah uninga,dua sasih deui Kamal téhbadé mayunan ujian nasio -nal, piraku badé bolos baé?Kamal téh kalebet murid pin-ter Pa. Calakan, gampil pisanngartosna dina ampir sadayamata pelajaran. Kedah tiayeu na tatan-tatan diajar,lebar upami dikantun keunkitu baé,”ceuk kuring muji,sugan baé bapana Kamal bisalééh haténa.

“Heueuh, kuring gé ngartiPa Guru. Ngan, keur naonatuh sakola? Da jaman kiwarimah masing sakola luhur ogé,engkéna angger hésé néangangawé. Rék gawé nu kitu-kitubaé mah pasti moal daraé -keun da éra ku ijazah. Tung-

tungna ngalaligeuh. Mendingti ayeuna kénéh usaha man-tuan di dieu! Barina gé pipi -lueun teuing lah da sakola siKamal mah moal dituluykeunieuh!” témbal bapana teu -geug.

Dikitukeun mah kuringteu bisa kumaha. Rék ngolodeui gé cumah, jelema hésédilawan. Kuriak ngajak gelut,kalahka piriweuheun. Kétang,sabenerna mah sebér ogénénjo pangawakan bapanaKamal nu jangkung badag,dibandingkeun jeung awakkuring nu pécékrék leutik.

Panon kuring jeungKamal paamprok. Katangentina panon Kamal siga nunyarita yén manéhna gé bi -ngung. Tungtungna Kamalngeluk. Ukur bisa ngareng-hap panjang bari norowecojero haté, Emh, deudeuh teu-ing Kamal. Teu kungsi lilakuring tuluy amitan.

Nepi ka hareupeun imah,teu buru-buru asup. Awakasa lalungsé. Muru korsi pan-jang paragi ngadaweung. Gékdiuk, tuluy ngalamunkeunkajadian nu karék karanda-pan bieu. Keuheul sakaliguskuciwa. Boga murid pinter,kolotna teu bisa diandelkeun.Karék gé rék nyangsaya, rekétpanto muka. Torojol indung -na barudak mawa baki.

“Ngaleueut heula Pa,”ceuk pamajikan baringasong keun emuk bulaokameu meut kuring. Regotcai diinum, méh béaksatengah na. Rét kana lalawuhdina piring eusi goreng sam-peu, kawasna mah kareknyait da ngebul kenéh. Teudiengkékeun deui tuluy di-

cokot. Nyah nyéh nyoh bariditiupan. Béak dua keureut,regot deui nginum. Pama-jikan nu aya di gigireun ukurmelong bari teu lila nyodor-keun amplop bodas nu ayalogo sakolaan.

“Naon ieu?” kuring nanyabari nampanan éta amplop.

“Mangga, aos baé kuAkang,” jawab pamajikankuring.

Bérés maca, kuring ke -rung. Éta surat ti wali kelasIrwan nu nitah datang kakuring atawa pamajikansalaku kolotna, aya nu rékdibadamikeun.

“Abdi tos ngadeuheusanwali kelas Irwan. Serat pang-gilanna telat, nembé dugi tadienjing, ari ka sakola kedahdinten ayeuna pisan. Siho -réng Irwan téh remen pisanbolos, diétang-étang tos ayakana dua mingguna,”ceuk pa-majikan kaburu manténnerangkeun saméméh di ta -nya. Paromanna tuluy alum.

Kuring ngarénghap pan-jang naker. Beu, kacida hiruptéh, tihothat nguruskeunbudak batur sangkan bisasakola sing bener, kari-kariayeuna anak sorangan ka -lahka teu kaurus? Kuringngahuleng. Unggal poé ba -reng indit ti imah jeung étabudak, naha bisa nepikeun kaleungit? Na kamana heulaatuh budak téh?

Isukna di parapatan JalanCisago, kuring nurunkeunIrwan, cara biasana unggalisuk. Sanggeus nyium leung -eun, Irwan leumpang nga-jugjug SMPN Cisago 3 nuanggangna kira-kira duaratus méteran. Kuring api-api

Kenék AnyarNyi Roro

Page 20: Mangle 2482

19Manglé 2482

indit deui muru SMPN Ci -sago 1 tempat kuring ngajar.Padahal, di lebah péngkolanburu-buru motor dipéng kol -keun, balik deui.

Ti kajauhan katénjoIrwan keur leumpang semurusuh. Éh, naha teu asup kagerbang sakola? Kalahkanguliwed asup ka gang? Ku -ring teu waka incah, ditung-guan nepi ka sababarahamenit. Ana jebul téh di gangnu beulah ditu. Rentang-rentang ti kajauhan katénjoIrwan rada lumpat murumobil APV hideung nu keurparkir di sisi jalan.

Buru-buru motor distater,rada ngebut muru éta mobil.Geus rada deukeut motor di-launkeun. Geuleuyeung mo -bil maju. Ké, ké, éta mobil asaapal? Plat nomerna sarua

deuih? Lalaunan dituturkeun.Jarak diatur ambéh teu ka -toh yan ku nu di jero mobil.Geus aya dua kilo meterjauhna, mobil nu keur di tu -tur keun rada ngalaunan.

“Caheum! Caheum!”Kadéngé aya sora tina étamobil ngaliwatan jandela numuka. Di hareup kabeneranaya hiji awéwé megat. Reg,mobil eureun. Jleng, aya nuturun bari luncat. Sihoréngbudak lalaki maké kaos héjo,mapag nu rék naék. Ditelek-telek. Euleuh? GeuningIrwan? Ari supir mobil, geu -ning Bapa. Kuring ukur bisacolohok. Hayang mah haritakénéh diontrog, tapi kuringinget cara kitu moal pibene -reun. Méngkol, balik deui kasakola.

“Ari Bapa, naha teu apal

ayeuna téh usum sakola?Pami nuju peré mah manggatéh teuing Irwan ngiringnambangan ka Bapa,” ceukkuring laon kanu jadi kolotsanggeus aya di bumina.

Ti saprak pangsiun tambakesel Bapa kuring ngiriditmobil APV. Anjeunna nyupi-ran nu trayékna ka Ci -caheum. Kabeneran basausum peré sakola kamari,Irwan milu nambangan kaakina. Katempo beungeutIrwan mani atoh mun baliknambangan téh, da ku akinamah sok dikeupeulan duitluma yan gedé. Rénghap ku -ring karasa panjang. Teungabi bisani, rumasa munméré jajan ka budak téh soktara gedé. Ti dituna mahhayang ngawarah budakambéh teu beuki jajan, bisa

ngahargaan kana duit.“Hih, da Bapa mah tara

ujuk-ajak ka Irwan, manéhnawé nu sok maksa milu ngené -kan. Si Ujang nu biasa ngené -kan téh gering. Na, ari geuscageur kalah ka milu kamamang na nu digawé diJakar ta. Mani hésé néangankenék gaganti si Ujang téh,kabene ran Irwan datanghayang milu. Nya ku Bapadigugu tug nepi ka ayeuna.Pan alus lain budak kénéhgeus hayang diajar digawé?Méh engkéna babari néanganduit,” ceuk Bapa kuring siganu teu nga ros dosa. Ukur bisangarénghap panjang, teu bisamajar kumaha. Piraku arikudu mapagahan nu jadikolot mah.

***Panglawungan 13

Page 21: Mangle 2482

Manglé 248220

Di dieu ku -ring matuh,di pala tar -an data -ranggangka pilem-

buran. Sabudeureunana ka-capiring pating rumpuyuk,ngiuhan nu talibra di alamkalanggengan.

Mangpirang-pirangusum,hirup-huripkuring diieu wewengkon.Duka geussabaraha taun?Nu jadi pa-

tokan kiwari,taya lian nganAki Juhana. Manéhna téh in-cuna Aki Darta, tah étakuburanana. Ari Aki Dartaincuna Ki Dariman, itu ku -buranana. Ari aki Dariman,budakna cikal Aki Odin. TahAki Odin anu mawa kuringka ieu patempatan téh. Ti-harita, ceuk kuring tadi dukageus sabaraha puluhan taun.Nu jelas Aki Odin geus kasi -lih ku sababaraha generasiatawa turunan. Aki Juhana

nukiwari kumalendang,leumpangna ogégeus ru-manggieung kondang iteuk.

Kuring dibawa kakaitsiwur Aki Juhana téh keurleutik kénéh. Harita téh pa-sosoré, basa Aki Odin baliknyadap. Kuring handapeunkawungna, dirabut.Tuluydikeueum dina balong sa -peuting, isuk-isuk dipelak -keun luhureun kuburan anutaneuhna masih beureum.Kawasnaéta téhkuburanbapa na, dicirian sangkan teuhésé néangan. Harita mahlahan téhbarala tur taya anungapimilik, ngan kiwari jadimilik pamaréntahan désa.Katelahna Astana Gedé.

Poé ka poé bulan kabulan, taun ka taun kuringsubur di ieu patempatan.Sakampung Batisari mahmoal bireuk deui. Komo pi -keun Si Guru jeung Si Danumah. Maranéhna nu sokngeureutan kulit téh. Awakraca balas diala getih, cenahgeutah kuring tara misleuklamun dipaké ngaleugeutmanuk. Ngaranna ogégeuskakoncara, leugeut teureup,luyu jeung ngaran.

Lamun pareng kuringbuahan sok aya barudakangon, ngahaja ngadon mu-lung nu murag. Buah téh-sagedé sukun, sikina leutik,tur kulumudan, leueur. Kubarudak kulumud dibersi-han maké lebu. Lajudisangray, cenah rasana teubina ti suuk.

Betah hirup di dieu téh,patempatanana ayemtengtrem, jauh tinakaraméaan lembur. Pareng

ramétéh lamun aya nu ngu -rebkeun layon. Mun aya numaot téh kuring mah bu -ngah, lantaran bugangmanusa téh kadaharan nupohara alus gizina.

Duka ku naon, ahir-ahirieu kuring bet teu genahrasa. Bet asa aya kahariwanganu taya duana, mimitinamah basa meunang béja anupika keuheuleun. Genep poékatukang, Aki Juhana atawanu ceuk kuring tadi patokanhirup, datang. Sangkaan téharék nadran, tapi kalahnyam peurkeun, lajunepakanan.

“Embah... kudu kumahaayeuna Aki?” poknatéhngabasakeun embah, soksanajan nyahoeun kuringtangkal teureup anu teu bisadiajak cumarita. Ngan ku -ring geus surti éta dituju -keun ka karuhunna. “KadesPeni nyieun wawaran. PaKasni, ketua BPD anu anyartos nyaluyuan. Tangkalteureup téh rék dituar, rékdipaké ngabangun sasakleuwi kopéng.Atuh da bo -nganjadi dina tanah désa,rék dipaké pikeun karahar-jaan masarakat.CenahSalasa, geneppoé deui di -tuarna. Aki bingung,Aki teuwani baha ka kades Peni.Watekna apal balaréa. Nyaku Aki di kopkeun baé, di -idinan da teu bisa kumaha-kumaha.”

Tah tiharita teu ngeunahrasa téh.Keuheul ka AkiJuhana anu geus nguciwa -keun, geus méré idin. Asanakarék kiwari aya anu nga -lakukeun kitu. Ari rék dituar -

CCarita Pondok

Saksi BisuRian D. Firdaus

Page 22: Mangle 2482

21Manglé 2482

mah kuringtéhteu reuwas, tijaman béh ditu mula, tijaman munggaran désamekar geus pada nga -wacana keun. Hadéna turu -nan Aki Odin taya anumikeun. Baheula Aki Odin-ngawanti-wanti ka budak-budakna, yén kuring kududijaga. Pepeujeuhna terusdirunday keun. Nu diamana -tan teu ngamomorekeun.Kapan basa rék nuar, rék di-paké ngabangun désa. KiDarta langsung mesat bedog.

“Singsaha baé anu réknuar ieu tangkal teureup,mangka kudu adu pati heulajeung aing,” pokna basawaktu ka tukang bari nga-cungkeun bedog. Ucapananalain ngan saukur heureuy,nangtang pinuh amarah.

Éta saperkara conto nudilakukeun turunan AkiOdin enggoning ngajaga ku -ring. Réa kénéh perkaraséjénna, seug lamun euweuhmaranéhna, meureun ayeu -na kari sésa tunggulna.AkiJuhana, panyalindungan pa-nungtungan, naha ipis burih,méré idin. Sakituna mahkuring ogé ngarti, manéhnageus rerempo.

Hirup nunggelis, pama-jikanana geus leuwih tiheuladipundut ku nu MahaKawasa. Budak awéwé hiji-hijina ngilu kasalakina.Atawa boa manéhna bi -ngung, ku dongsokanmasyarakat nu hayang nga-bangun jembatan. Jembatanleuwi kopéng nu jadi patali-marga ka dunya luar, cenahbisa ngaronjatkeun kasejah-traan. Jadi jembatan kamak-muran, jembatan peradaban.

“Tapi embah tong wakahariwang. Kades Peni mérékaringanan,” sambung AkiJuhana basa genep poé katukang. “Cenah lamun Akibisa nyadiakeun waragadkeur ngabangun jembatan,tangkal teureup moal jadi di-tuarna. Itung-itung dibeuli

ku aki. Geus moal aya nuwani ngagunasika, da kapi -milik. Ieu aki keur ngusa-hakeun duit. Geus aya sa waréh,ladang sawah, ieu téhtinggal saeutik deui. Limapoé deui bakal cumponlamun haji Dahlan ngaduit -an kebon nu di kalér jeung digirang.”

Haté rada kaubaran,horéngAki Juhana téh keurngupayakeun, masih bogatanggungjawab. Tapi hatéleutik kuring teu beunangdibébénjokeun, teu puguhrarasaan. Ras ka diri, ras kaAki Juhana. Kumaha na-sibna engké, lamun nepi -keun ka bébéakan. Bandanabakal ludes, waragad anudibutuhkeun lain sa eu tik,ceuk béja anggaranana duaratus juta.Geus béakdéngkék ngajukeun proposalka pamaréntah daérah jeungpusat teu hasil kénéh waé,euweuh deui cara anu gam-pang iwal ngarajang kuring,kaina bakal jadi ratusankibik, lamun dijual bakal ra-tusan juta. Kitu téa alatanpangawakan kuring, teu ila-har. Jangkung badag, dukasabaraha puluh méter.Dukasagedé kumaha, ngan basaMang Iju jeung Mang Solehngala madu odéng dinadahan, manéhna nyieunsigay pikeun naék.

“Edan ieu teureup,” ceukMang Iju waktu harita.“Genep leunjeur bitungkarék nepi kana dahan.”

“Enya, kana dahan pang-handapna éta téh, sabarahalamun nepi kapuncerna?”témbal Mang Soleh.“Tangkal jurig sugan mah,dahanna ogé mani sagedé-munding, munding reuneuhbari bareuh.”

Poé kamari, haté kakarangemplong. Meunang pik-abungaheun. PabeubeurangAki Juhana datang,pasemon na hégar marah-may. Teu kungsi lila kadés

Peni jeung Pa Kasni, nguru-muy. Kawasna geus janjiantepung.

“Kadés, Kasni ieu duit.Jumlahna leuwih ti anu di-jangjikeun, ngan keun baéitung-itung sodakoh,”poknabari ngasongkeun buntelan.“Teureup dibeuli ku Aki,ngan omat ieu duitna kududipaké ngabangun jembatanleuwi kopéng, luyu jeungjanji. Tiayeuna ieu teureupmilik Aki.”

Kades Peni nampanan.Laju sasalaman sanggeusijab kobul. Kuring bungah,bagja tan wates wangen.Ngan kabagjaan téh nganukur sapoé sapeuting.Rebun-rebun pating kuru -nyung jalma bari ranggemku pakarang. Teu kungsi lilakades Peni jeung Pa Kasnidatang.

“Kalah di singhareupansok gera tuar,” pokna

Kuring ngaranjug, teukungsi lila aya anu némbal

“Rék dikumahakeun étateureup?” sora lalaki, horéngAki Juhana bari ngacung -keun iteuk.Saréréa neuteupka lebah datangna sora.

“Aki... Luyu sareng anudibéwarakeun, Salasa ayeu -na badé dirajang.” Kadespeni némbalan.

“Naon?Pan kamari geuspapaitan...”

Derekdek, Aki Juhananyaritakeun kajadian poé ka-mari ka masyarakat.

“Ka sadayana, mugi jan-ten uninga. Cariosan AkiJuhana ngawur. Pribadosteu rumaos ngalakukeun halsapertos kitu. Paralun teu-ing.”

Saterusna kadéngé hog-hag, silih tempas, silih tém-bal. Dina pamustungankadéngé Kades Penicumarita.

“Artos naon Aki?nyairaha aki masrahkeunana.Mana buktina, sahasaksina?”

Aki Juhana ngaragameneng. Kawasna nganaha-naha. Naha bet henteu makékwitansi, naha bet henteumawa saksi. Percaya kituwaé ka kades Peni jeung PaKasni.

“Saksina... tuh! Tangkalteureup,” témbalna bari nun-juk ka kuring,katinggalcuruk na ngageter, awaknangadégdég. Napsu kapegungamarah teu kawadahan.Lengerek. Teu kuat nanda -ngan kanyataan. Pait. Di -umur nu kari saeutik.

Kuring bati colohok,munkongang hayangngagorowok. Ngabéjaan anusabenerna. Teu nyangkakadés Peni jeung Pa Kasnibakal sulaya. Maranéhna teupaduli kana pangorbananAki Juhana, kuring dituar.Awak direcah, disiksik di -leutik-leutik. Dirajang dijeunpasagian, kaso, eréng.Dimuat kana dolak,lajudibawa ka sababaraha tokomatrial.

Ceuk awak kuring anu dibawa ka toko materialsianu,cenah dibarter jeungsemen. Ceuk nu dibawa katoko material si éta, ditukeurjeung beusi, aya ogé nu jeungkeusik, ngan lolobana di duit -keun.Tapi ceuk awak kuringnu aya di leuwi kopéng. Jem-batan leuwi kopéng réngsénatilu bulan.

Wangunanana basajanpisan, puraga tambakadengda. Basa dikontrol kuaparat pamaréntah daérah,salah saurang patugas tuma -nya.

“Jembatan ini pemba -ngunan taun sekarang?”

“Leres, Pa!”témbal kadésPeni ditembrong ku PaKasni.

“Program PNPM yah?”“Leres, Pa!”“Berapa anggaranya,”“Euhhh... Tiga... Tiga

ratus juta Pa...”***

Page 23: Mangle 2482

Manglé 248222

Lamun parengpaamprok dijalan jeungnu saruatumpaksepédah,

Juandi sok ngarasa reu -greug. Lain kuring wung -kul geuning, nu lian gé ayanu kana sepédah téh, ge -rentes na bari ngaboséh.Ngan meureun bédanabatur mah ukur sakali-kalieun tumpakna, sedeng -keun manéhna mah unggalpoé.

Éta gé lain teu hayangbuar biur kawas baturtumpak motor. Kungsi di-ajar di lapang tukangeunimahna. Tapi nya kitu aridiajar geus kolot mah, ku-

rang kawani. Padahalharita geus eungkeut-eu-ngkeut kana bisa. Tai basarék, ngajaran ka jalan gedénabrak tukang baso, tang-gunganana nepi ka bahé.Atuh Juandi sanduk-san-duk, jaba ngagantianmangkok anu pareupeus.Ti harita tara pirajeunandeui tumpak motor.

“Juandi tumpak sepé-dah baé, engké leumpangégang geura,” Ceuk Uhobatur sakolana keur diésdé. Manéhna bangun rékbalik, nungtun motorna.Juandi nyahoeun adat Uhocawadan, matak ku manéhna tara diwaro. Juanditonggoy wé nungtun sepé-dah nepi ka lawang pager

imahna, Uho nu ngajan-teng teu dilayanan.

Sepédah keur manéhnalain ngan ukur kendaraanparagi ka kantor, tapi ayacarita anu moal bisadipopohokeun. Teuingtaun sabaraha dibeulina,da basa karék asup ka ésdéogé geus nyampak. Ingetbasa bapana aya kénéh,manéhna sok diajak nyiarendog ka sakur nu barogameri. Juandi anjeucleudiuk diboncéng mawa ci -reung wadah endog. Munseug inget ka dinya haténasok ngarakacak. Atudaudar-ider dagang téh nepika kiwari terus dipaju hen-teu lésotkeun. Pangna nepika bisa digawé gé éta

cukang lantaranana.“Bisi rék ngajual sepé-

dah aya nu butuheun,”Ceuk Uho basa Juandikeur ngukey nyetél pélek.

“Moal, lebar," témbalJuandi bangun keuheul.

“Geus lain jamannatumpak sepédah mah.”Uho ngécé.

“Kumaha urang, rékjaman rék lain, nu pentingnepi ka tujuan tur sala -met,” témbalna.

“Payu dua juta tahJuandi mun dijual mah.Ladangna paké uang mu -ka, keur ngiridit motor.Bisi butuh motor sekenaya, di babaturan kuring.Ieu gé yeuh cacak urut,hadé, pan,” cek Uho reueus

CCarita Pondok

Ajat Sudrajat

Page 24: Mangle 2482

23Manglé 2482

bari ngalak-ngilik motorna.“Lain teu butuh ku ba -

rang Ho. Kuring mah tum -pak sepédah gé cukup, ge nah awak hararampang.”

“Keur nanahaon atuhladang usaha, ari teu di-paké mah!” Ceuk Uhonyetater motor, biur indit,teu nolih ka nu keur ngo-prék ngomékeun sepédah.

Saléosna Uho Nyi Ram-sih pamajikanana norojol tidapur nu ti tadi ngagérohendog asin kulubeun.

“Naon deui Uho téhKang?”

“Nawaran, bisi rékmeuli motor.”

“Butuh ku paleuleuwih -na meureun. Kawantulegag-legig euweuh gawémanéhna mah," cek NyiRamsih bari nutupkeunpanto. Sanajan teu maliré,tapi ari mindeng- mindengteuing mah, caritaan Uhotéh sok matak nyeri kanahaténa. Unggal poe Juandiindit ti imahna matuh,pukul tuuh. Kurang leuwihsajam di jalan geud nepik.Juandi tara kungsi kabeu-rangan, malah manéhnanu sok datang pangisukna.Ku kitu téana mah tang-gung jawab kana tugasnasalaku penjaga. Réngsébébérés di jero, laju sasapudi buruan, kurad korédjukut nu jaradi dina sela-sela paving blok. Pikeunmanéhna jadi pagawénajan ukur pasapon ogéngarasa sukur. Balikna bisangamangpaatkeun sésawaktu nu aya. Lian ti da-gang endog, neruskeuntapak lacak kolotna. Usumpanén sepédah dipaké ngo-jeg ségon.

Pa Kamli nu ngajeu -jeuh keun manéhna jadi pa-gawé, apaleun kénéh keurleutikna, sok ngingintil kabapana nganteuran endogsaminggu sakali ka bojona,

keur kuéh jualeun. Damuka toko kuéh di imahna.Mangpaat sepédah téhkarasa nepi ka boga angga-pan éta barang aya baro -kah pikeun kahirupanmanéhanana.

Jam dalapan karyawanmimiti daratang, tempatparkir mobil motor nga-jalajar, di antarana jajaranéta nyelepét sepédah ma -néh na pangtungtungna dijuru. Ngahaja ambéh gam-pang mun dununganananitah. Geus pada nyaho,tara nitah maké motormun rék motocopy atawakaperluan nu séjénna, kariclak. Jeung enyana, du -nunganana nitah manéhnamotocopi.

Keur jongjon ngaboseh,Uho ngelaksonan manitarik. Juandi reuwaseu.Uho seuseurian jeung nga-jorowok.

“Wilujeng égang engkémun nepi ka imah.” Teuingtas ti mana Uho téh damindeng papanggih jeungJuandi di jalan.

Balikna ngahaja reu -reuh. Narik napas ngum -pulkeun tanaga, nyuplaktopi dipaké ngageberanawak nu cipruk. Lebahtonggong karasaeun ba-juna rapet jeung kulit, jib -reg lir nu dibanjur. Jol,tukang coét leumpang kalebah dinya. Gék dina balé-balé pos ronda gigireunJuandi.

“Punten badé ngiringreureuh.”

“Mangga," Juandingiser méré tempat.

“Ujang téh ngahaja baésesepédahan?” cék tukangcoét.

“Sanés wangsul di da mel.”“Euh... saé séhat naék

sepédah mah.”“Tos pajeng sabaraha

hiji icalan téh Pa?” Ceuk

Juandi, manéhna maliknanya.

“Nu mawi teu acan hiji-hiji acan,” témbalna barinyusut késang dina tarangku tonggong leungeunna.

Manéhna ngahelas basatukang coét indit. Baturmah geuning néangan keurdahar téh leuwih ripuh timanéhna. Dagang coét,can karuhan payu unggalpoé. Sedengkeun manéhnaleutik-leutik gé jadi paga -wé, aya arep-arepeun aribulan ngora. Geus radaseger, clak deui kana sepé-dah Najan dipoyokan kuUho tara diasupkeun kanahaté. Ti bubudak lampah -na goréng, kabawa tepi kakolot teu robah. Munsarua na mah matak gurger paséa.

Kakara gé tepi kasakola, terus mikeun poto-copian ka tatausaha, PaKamli ngageroan, nitahmanéhna asup ka ruangan - ana. Juandi reuwaseun, datara ti sasari. Biasanalamun rék nitah sok lang-sung pok, tara manggil kajero. Teu talangké ngicliktukangeunana bari ratuginggis aya nanaon, sieunsalila ngalaksanakeuntugas matak picarékeunatasan. Komo ieu aya dijero dititah diuk pahareup-hareup. Juandi teu wasa -eun cengkat bawaning kuajrih.

“Bapa leungiteun motorHonda warna beureum,"cek dununganana. Meg,manéhna reuwaseun.

“Tong reuwas kajadi-anana lain di dieu.”

“Nuju diparkir di manaPa?” Cek Juandi, ngem -plong.

“Ku budak di tempatkos babaturanana, jongjonngobrol, motor cul di bu-ruan, ditéang geus eu-weuh.”

“Tos sabaraha dintenkajadianana?”

“Opat poé.”“Geuning tos lami.”“Enya, susuganan atuh

pareng manggihan.” Ka luar ti ruangan Pa

Kamli, nyarandé kana tém-bok, asa kungsi nénjo nganteu nélék plat nomorna,warnana beureum ketangbisa baé platna geus di-ganti. Aya sotéh sangkaanka dinya ku asa babariparibasa kapihapéan kubabaturan.

Geus burit balikna téh,da loba pisan bérésaneun.Basa ngaliwat ka imahUho, mani ramé ku jalmangarogrog. Kadéngé anuhohoak.

“Moal salah nu uranggé ku manéh!”

“Heueuh ari sugan téhenya jual-beuli motorkéhéd!”

Juandi eueun, terusnyarandekeun sepedahnadina tangkal. Jelema téhkeur nunjuk rorék Uho.Awakna bararéd tapaknyiksa kawasna. Manéhnanyempod di juru.

Buriak nu keur ngaro g -rog nyingray, basa datangPa RT. Juandi ngaléos.Terus nungtun sepédahnaka nu rada jauh ti dinya.Katénjo Uho ditaekkeunkana mobil tahanan.Ngolébat seuri ngécé Uho.Nongtoréng dina ceuli,“wilujeng egang” cenah.Mun kongang mah malesngécé,

“Wilujeng tumpakmobil tahanan”. TapiJuandi henteu tégaeun.Kalah haténa ngarakacak.Mobil tahanan beuki lilabeuki jauh. Perbawa bang -reung, sepédahna diboséhbeuki tarik, padahalimahna geus kaliwatan. ***

Panglawungan 13

Page 25: Mangle 2482

Panto cai nutup.Nining mu rag -keun buntelanleutik kana kan-tong kérésék di

gigireun bak nu teudigantung keun. Kantongkérésék pulas hideung nubiasa dipaké miceun runtahsabangsaning bungkussabun mandi, sampo, odoljeung sajabana, kaasup nubieu dipiceun ku Nining.Paragi ari awéwé kadata -ngan sémah matuh unggalbulan. Sanggeus Niningmenerkeun kancing eroknanu kekembangan bungur,ceulina mireng sora ti ka -mar cai sabeulah. Ngahihih,semu ngirung, bangun soraawéwé. Puringkak, Niningmuringkak pundukna.

Dibarung rasa pana sa -ran, Nining kaluar ti jerocai, tuluy ngilikan caisabeulahna. Teu dikonci.Pirajeuneun sirahna ngelolka jero, tétéla taya sasaha.Rey, bulu pundukna mu -ring kak deui. Na saha nuseuri ngahihih tadi?pikirna. Salah sahiji batursakontrakanna? Tapi asapamohalan lantaran buritieu, karék Nining sorangannu geus mulang ti tempatpagawéanna.

Kabéh pangeusi imahkontrakan nu sarua gawé dipabrik biskuit, masih aran-teng di tempat gawéna. Sa-mentara Nining ti sajamkatukang ménta mulang ti-heula lantaran beuteungnakarasa nyeri kabina-binangarandapan kadatangan

bulan nu ayeuna.Mojang nu umurna can

panceg dalapanbelas tauntéh leumpang gagancanganmuru kamar kontrakan nuperenahna pangjuruna.Sanggeus di jero kamarukuran dua kali tilu méter,teuteupna museur kana caipulas konéng nu maseuhantéhel, teu jauh tina jandélakaca. Nining dongko.Peleng seng bau hanyir.Nining ngingsrek. Panonnangilikan cai nu bau éta.Naha cai tina sésa asakanpadang nu peuting kitu?pikirna bari tarangna ke -rung.

Tapi pamohalan, Nininggideug. Manéhna teu poho,peuting tadi meulideungeun na ti rumahmakan padang ‘SaléroBasamo’ hareupeun pabrikbiskuit, salian ti sangu,deungeun na goréngparakedél, tongkol baladojeung sambel héjo. Lainhayam atawa tongkol sayurnu kuahna konéng.

Bari masih panasaran,Nining lalaunan ngelaptéhel. Di luar, panonpoégeus sababaraha menitkatukang labuh ka beulahkulon. Teu lila, ngong adanmagrib. Nining keukeu deu -ngan dina kasur busa ipis,teu ngalaksanakeun solatlantaran apan keur hala -ngan téa. Kapireng sorabatur sapagawéannasaurang-saurang mimitidaratang.

Tabuh tujuh Nining ngi -num deui ubar. Ubar anti

nyeri mun keur datang pa-nyakit datang bulan.

Beuteungna teu saba -raha nyeri ayeuna mah, teucara waktu di pabrik.Pepelengkinganpikahariwang eun, tepika babaturanngajurungkeun sangkanmulang tiheula. Sanggeusubar asup kana tikoro, di -susul ku cihérang, Niningmuru deui kasur. Ngagolér.Beuteungna can karasalapar kawantu waktu istira-hat di pabrik murak sangupulen jeung asin japuhbawa salah sahiji batursapagawéanna. Meni nga -limed.

Tabuh salapan Niningmeureumkeun panonna.Rohangan dipoékan sapertisasari. Tara bisa sarésaupama lampu hurungmah. Pitunduheun teu daékngagupayan, antukan Ni -ning nyilek. Kontrakan nusakabéh pangeusina pa-gawé pabrik, ngabogaanlimabelas kamar. Nu ngeusinyekel konci séwang-séwangan lantaran kamarlangsung nyanghareup kaburuan. Limabelas kamartéh, dalapan kamar dibagéan handap, nu tujuhaya di luhur, di loténg. Caijeung dapur perenahna dihandap. Dipaké ku saréréa.Peuting nu karasa simpé.Tara-tara ti sasari. Teuingpédah peuting Jumaahatawa horéameun ka luarkamar. Sasarina pangeusikontrakan ari liwat magribsok araya ogé nu di laluarkamar, ngararasakeun

hiliwir na angin bari garo-gonjakan. Kaln-kalan tabuhsapuluh kakara ngarampihka kamar.

Pikiran Nining jadi rus-ras. Teu puguh rarasaan.Samentara pitunduheunmingkin ngajauhan. Beu -teung Nining geus teukarasa nyeri deui. Niningbeunta di kamar nu mong -kléng. Panonna ngarérétmeueusan kana lebahpanto kamar. Manéhnangarénjag duméh nempolawon bodas nu panjang,bangun ngagantung dinakapstok nu ngahaja dipa -sang keun dina panto.Panon Nining beuki nga -waskeun lawon nu ririabanbangun nu katebak anginpadahal taya angin nu nyu-lusup tina sela-sela jandéla.Pikirna, meureun mukena,tapi teu lila karék inget yénmukenana teu dipaké salilaopat poé alatan keur hala -ngan teu ngalaksanakeunsolat. Salian ti éta, manéh -na langka ngagantungkeunmukena dina kapstok, sokditilepan waé, dibuntel kusajadah, diteundeun dinaluhur lomari.

Nining guligah. Bet asaaya nu nyerangkeun.Awakna dakdumadak nge -leper. Késang tiis mimitimaseuhan sakujur awaknanu teu disimbut. Sukunasatekah polah kekejet, ma -lu ruh naon waé dina tun-jangeunna, simbut, sam ping atawa naon waé nubisa kacapit ku indung sukujeung curukna, sangkan

Manglé 248224

PPuridingPuringkak

PocongKu Komala Sutha

Page 26: Mangle 2482

25Manglé 2482

bisa dipaké nurubanawakna. Tapi taya nukatarik. Awakna hayangcengkat, tapi teu mampuh.Kawas aya nu matri kanakasur. Teuteupanna museurkénéh, teu daék leupas tinalawon bodas nu ririabanbari kalan-kalan cicing.Awak Nining beuki nga -darégdég. Ras inget kanasora nu ngahihih semungirung di cai tadi. Tikamar cai gigireun nu hijideui. Nu waktu dilongoktétéla taya nanaon.

Biwir Nining runyarenyu nahan piceurikeun.Manéhna kakara peutingéta ngarandapan rasa sieunnu hésé dieureunkeun. Tayasora nu bisa kedal tinabiwir na. Létahna dak -dumadak hésé oyag. Dualeungeun na tipepereketnangkeup harigu baringadarégdég. Di luar,simpé. Beuki karasa simpé.Jarum jam nu disada tinatémbok, majuna kapirenghalon pisan.

Nu karasa ku Nining,peuting nu jempling gé ma-juna halon. Nining hayanggeura-geura subuh. Hayanggeura babaturanna haru-dang, hayangdisampeur -keun ku babaturanna.Hayang dipangmukakeunpanto sangkan lawon bodasnu semu-semu hideungriria ban téh leungit. Tapikahayangna semet ka-hayang. Kamar lir panjara.Nining teu bisa cengkat,Nining teu bisa ngejat.Teu-ing kakuat an timana, awakNining eureun ngeleperna.Sukuna teu kekejetan deui.Tapi sora mah masihnyelek, masih hésé éngab.Nining muji sukur. Jarumjam nu teu bisa katénjo kuNining, nuduhkeun tabuhduabelas leuwih dua puluh

menit. Mun jurig mah, keurmeumeujeuhna ngider. Ni -ning masih ngajepat dinaluhur kasur. Panonnangarérét kana panto. Lawonbodas masih ngagapuy,ngan ayeuna mah teu riria-ban. Rasa sieun nyinglarmeueusan. Nining satekahpolah nguat-nguatkeunmanéh, tuluy nginget-ngi -nget caritaan kolotna dilembur mun kaparenganmanéhna mulang ari tasgajihan, ahir bulan.

“Ulah sok borangan,Ning…” ceuk emana waktuNining nyaritakeun batursakontrakanna nu kungsididatangan ku jurig ma -rakaya ngan di salah sahijikamar kontrakan. “Moal ayanu paéh dilegleg ku jurig.Jadi… ulah ngarasa sieun,

nu puguh mah.. jurig nukudu sieuenun ku urang.”

“Ah, si Ema mah!” Ni -ning rada ngahéhéh. “Jadikudu kumaha mun Niningtepung jeung jurig?”

“Hidep téh pan bogakayakinan. Jurig sieun kukalimah Allah. Maca ayatkursi sing remen, InsyaAllah… moal aya nanaon.”

Tapi caritaan emana teudiregepkeun harita téh.Sakapeung Nining teungalaksanakeun paréntahAllah. Sok pirajeuneunninggalkeun solat nu limawaktu. Alesan capé, poho,teu kaburu, kasaréan jeungsajabana. Malah Niningkacida poho kana peupeu-jeuh emana ngeunaanpanya kit matuh bulanan nukarandapan ukur ku awéwé.

“Kadé Ning… saupamahidep keur kotoran, ulahmiceun getih dimana waénya, atawa neundeun lawonnu kagetihan dimana waé!”

Gebeg, Nining nga -gebeg. Reuwas lain dikieu -na. Inget caritaanindungna, inget ogé tadiburit miceun kokotor di caibari teu diberesihan heula.Rey, bulu punduk muring -kak. Tapi demi nyingkah -keun kasieun, Niningngumpul keun kakuatan.Biwir na nu can mampuhngedalkeun sora, renya-renyu. Peleng seng bau nuhanyir, bau nu sarua sapertibau cai ko néng nu tadi buritmaseuh an téhel. Teu sadar,awakna cengkat. Jung,nangtung tuluy nyam-peurkeun lawon bodas nungagebay dina panto. Najancaang reyem-reyem,téténjoa nan asa sidik.Barang gok kanahareupeun lawon bodas,teuteup Nining paamprokjeung nu nangtung. Najanpoék, tapi atra kana panonNining. Nu nangtung pulasbodas téh lain lawonwungkul, tapi lawon numungkus mahluk pikasi eu -neun. Dina luhur sirahnadibeungkeut ku lawon pan-jang nu sarua pulas bodas.Lawon bodas kuleuheu nupinuh ku taneuh kuburan-téh, beungeutna ruksak pik-agilaeun. Panonna nubolong, mencrong. LesNining teu inget deuinanaon.***

Cililin, 12 Méi 2014

Komala Sutha lahir diBandung, nyerat dina basaSunda sareng Indonésia.

Seratanna dimuat dinaManglé, Sunda Midang, Beat,Galura, Radar Tasikmalaya,Kabar Priangan sarengmédia sanésna

Page 27: Mangle 2482

CCarita Heubeul

éh-aéh, geuningkasauran téhbet kawas lainkasauran

pangkat luhur, ménak tutu-runan agung, senapati tedakMataram nu kahot, tamtamawijig pinilih,” Dipati Ukurnyaurna kitu téh jiga anu séépkasabaran. Ari kitu téa mah,piraku anjeunna rék asor baé,kapan cék babasan ogé, najansireum ari ditincak-tincak teu-ing mah sok ngégél. Naha cékgalih ajengan, kaula téh bakalngabetem baé, badé sagalasumuhun dawuh, sanajan di-hina-hina dikaniaya? Rumaosmenggah harkat martabat,umur, turunan, kaménakanmah, kaula téh aya di sahan-dapeun anjeun, nanging arirasa ajen diri pribadi mahgaduh kénéh. Tinangtos kulaogé moal cicingeun, tanwandéngabéla kahormatan diripriba di. Naha dikinten kuajengan, sadkula henteuterang kana sagala rasiah,rékadaya anjeun, anu maksad -na badé ngagunasika dirikaula. Naha ajengan parantos

lali ka Tamtama Jayengronosareng Ngabehi Selorejo, anuku aje ngan parantos di -piwarang midamel huru-hara?”

Ronggonoto ningali DipatiUkur jiga anu nyeuneu, kacidareuwasna, maké rarat-rérét kalawang sagala, kawas nu nga -rep-ngarep bantuan. Katingaliku Dipati Ukur, nyéh anjeun -na imut deui, bari rikat la -wang na ditutup, malahdikuncikeun pisan.

Adipati Ronggonotongarénjag, da raraosananamah geus asa gabrug baédirontok. Karérét di juru ayaanu ngarawaskeun, garwanakatut Nyi Emban! Katingalinatéh jiga anu ngajarébian,migeuykeun polah anjeunna.Puguh gé ari kalingsem mahaya, pok anjeunna nyaur, nganayeuna mah bari poharaleuleuyna:

“Rai Dipati Wangsataruna,sumangga lajengkeun ka -sauran anu tadi ti payun,kumaha téa kapalay téh?Sareng naha henteu langkungsaé, saupami itu Nyai Werda -

ningsih sareng embanna di -piwarang kalaluar heula, supa-dos urang tiasa ayem tengtreménggoning ngayakeunbabadantenan.”

“Henteu kedah, malahlangkung saé saupami Ben-dara Ajeng Werdaningsihngadangukeun. Mangga ayeu -na urang teraskeun!” DipatiUkur ngahuleng sakedap, ngé-mut-ngemut kuma piteraseu-nana, ku sabab bieu enggeuskabéngbat, nyimpang tinajejer na carios. Barang geuskaémut pok deui nyaur:

“Saupami ajengan kersanyidem ieu perkawis, sarengka Bendara Putri moal kalala-jengan bendu, énjing-enjingpisan sad¬kula badé marek kaKangjeng Sultan, sumeja pa -mit wangsul ka Tatar Sunda,ngantunkeun nagara Mata -ram, jalaran di ditu sadkulakedah ngajalankeun kawaji -ban, nyatana ngabéla lemahcai, patali sareng gangguan-gangguan bangsa Walanda,anu marangkuk di tatarkulon.”

“Leres, leres,” saur Rong-

gonoto bari unggeuk-unggeukan, budi marahmay,bawaning ngaraos bungah, kulantaran Dipati Ukur rékngan tunkeun Mataram,nyasatna leungit karisi, manahbaris ngaguligah. Pok ngalahirdeui:

“Euh ari maksad Rai Di-pati kitu mah, kantenankakang ngiringan pisan. Cékwiwilanganana, sanajan in-dung suku pisan, hamo arékdiwartosan Ananging, kumahasaupami éta panuhun kangrai,ku Kangjeng Sultan diwagel?”

“Ulah badé alit manah,widi teu widina éta mahtanggelan sadkula. Munghamo lepat deui, enjing sad-kula tinangtos ngantunkeunMataram, malah badé ririnci-pan pisan. Atuh saupami hen-teu aya deui anu badé dida wuhkeun, sadkula sumejapamit mungkur.”

Kalawan henteu ngantun -keun heula widi ti SenapatiRonggonoto, Dipati Ukurngélemet ka luar ngantunkeunkadipatén.

Dina manahna keukeuh

Manglé 248226

{ 1616 }

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

”A

Page 28: Mangle 2482

gegetun, ngémutan talajaknaRonggonoto anu sakitugoréngna, hasud kaniaya kajelema anu teu tuah teu dosa,Lamun nurutkeun pangajaknapsu mah kawas- na téhhayang ngekesek. Nganbubuhan anjeunna sinatrialuhung budi, najan yuswa han-dap kénéh teu weléh gedéjeujeu han, landung kandu -ngan laér aisan.

Barang lebet ka pakara -ngan katingali ku anjeunna dipayuneun bumina aya jalma,gawéna jalang-jeleng tempa-tempo ka jero bumi. Adegpangadegna jangkung gedé,bosongot budi amprotan, éstumatak pikagilaeun anu jejerih.Barang ku anjeunna diawas-awas tetela Ki Bronto, kapete -ngan Adipati Ronggonoto, anutadi dipiwarang nyang kalakanjeunna. Sanggeus gilig man-ahna, tuluy ku anjeunnadisampeur keun, bari poknyaur, kawas nu ngabetah -keun:

“Mas Bronto!” Ki Brontongadéngé aya nu nyebutngaranna ngarénjag, gancangmalik kék kana gobangna, pokngomong, nyentak:

“Sa ... saha ma ... manéh,kumawani calutak geus nyebutngaran!” kawasna baé ma néh -na tacan sidik kana pa -meunteuna Dipati Ukur, dapuguh di nu poék. Rintih Di-pati Ukur ngandika:

“Aé apan kula SenapatiWangsataruna, anu ku anjeu -na kudu dicangkalak téa,sakumaha piwarangan KiaiAdipati Ronggonoto.”

Barang Ki Brontongadéngé kasauran DipatiUkur anu sakitu leuleuyna,haténa téh ngadak-ngadakmurengked, leungit wawa nén -na kaganti ku isin ajrih.Kawasna baé pangna kitu téhku perbawana kakuatan batin,anu ngancik dina salira DipatiUkur. Pok Ki Bronto ngomongdeui, bari arapap-eureupeupkawas nu kasima:

“Le... leres sa... salahir A...ajengan. Nanging sadkulahélok geuning éta Ajengan bet

parantosuninga.”“Hih apan kaula bieu pisan

tas dumeuheus ka Kadipaténsarta geus mireng sakumahaanu didawuhkeun ku Kiai Adi-pati ka sampéan.

Tapi sanggeusna ngada -ngu piunjuk kula anu patalijeung kajadian peuting ieu,wekasan ngadawuhkeun jeungmiwarang ka kula supaya MasBronto katut babaturan maru-lang baé ka saimah-imahna.”

Mas Bronto ngahulengsajongjongan; dina haténamandog-mayong aya percayaaya henteu. Kaayaan haténakitu ku Dipati llkur kajudi.Enggal anjeunna ngalahirdeui:

“Bisi anjeun henteu per-caya, hayu ayeuna urang

bareng ngadeuheusan kaKadipatén, atawa lamunmasih genah panasaran,keukeuh hayang nyangkalakkula, hayu urang ngadu jajaténheula.”

Dasar jelema leutik burih,ngadéngé panangtang anusakitu lemah-lembutna téh,jiga na téh kokompodan, pokngawalon:

“Henteu pisan-pisan abdidalem badé lukak japakan, ku-mawantun ka salira Ajengan.Henteu ruhun pangersaDampaldalem, sadkula sumejamungkur ti payuneunDampaldalem, nun.”

Sawangsulna Ki Brontokatut babaturanana. DipatiUkur tuluy lumebet ka bumi.Anjeunna henteu terus kapajua ran gék calik heula dina

korsi, ngamanah-manahlalakon anu baris dipayunan.

Kacaritakeun isuknarebun-rebun kénéh anjeun -na geus saged kersana rékdumeuheus ka karaton,Sasumpingna ka latarpameng kang tuluy miwa -rang ka nu jaga, supayadiunjuk keun ka KangjengSultan. Henteu kungsi lilangantosan ana, anjeunna di -saur ka Srimanganti. Kang-jeng Sultan kasampak geuslenggah di balé kancana.Barang rét katingali, gan-cang Dipati Ukur digupay,dipiwarang calik caketpayuneun anjeunna. Lajengrintih mariksa.

(lajengkeuneun)

27Manglé 2482

Page 29: Mangle 2482

Manglé 248228

Bagian

213

CCarita Nyambung

Peuting ka-266

Meu-nangpan -cén tiholi-pah,

Walikota Khalidngumpulkeun balad-balad -na. Kaasup Ahmad Kama -kim nu dibawa ngembantugas téh. Tujuanana, nga-garadah sakumna imah,kalayan teu pilih bulu.

Walikota gé ngagaradahimah Jafar, menteri kadeu -heus holipah. Sanggeuskitu, diteruskeun ka imah-imah séjénna, kaasup pa-parikasa di imah parapajabat.

Anjog ka imah Pang -lima Aladin, rombongan nupapariksa téh ngajarantengheula. Méméh salasaurangngetrok panto ménta idinka pribumi, Aladin kaluar tiimah.

“Aya naon?” ceuk Ala -din, sorana bedas.

“Jisim abdi ngembanparéntah holipah,” ceukwalikota.

Derekdek nyaritakeunmaksudna. Dirina sabatur-batur narima paréntahholipah nu kaleungitanpapa kéan kaagungan jeungbarang-barang sejenna.Cindekna, cenah, datangnaka dinya téh rék ngagada -rah imah panglima.

“Prak wé tong sungkan-sungkan,” ceuk pribumi.

Patugas nu kapancénanngagaradah blas-blus kaéta imah. Tangtu wé keurAhmad Kamakim mahukur pura-pura heula munmanéhna teu gampangmanggihan nu ditéangan -ana téh. Da puguh geus di-rarancang ti méméhna,moal langsung ka tempatnu dituju.

Sanggeus sababarahajongjongan taya hasil,

kakara Kamakimleuleumpangan di tempatpaneundeunan papakéanholipah nu ditundeun kumanéhna. Inyana ngetruk-ngentruk ubin ku dampalsukuna. Saterusna, mék -prék éta ubin ku linggisna.Bros wéh tobros.

Nu séjén geuwat nya -lampeurkeun. Tétéla, pa-pakéan holipah nu leungittéh aya di dinya. Atuh, Ala -din téh ukur gogodeg, teungarti kana eta kajadian.Ngan, saterusna mah teubisa majar kumaha, ka-paksa unggah baléwatang -an. Eta panglima téhdibabandan dibawa kapanjara sabudeureun ista -na.

Nu ditangkep téh lainukur Aladin, tapi deuihYasmin nu harita keurkakandungan. Ieu garwapanglima gé teu bisakukumaha. Kapksan nurutkana kahayang pihak ka -amanan nagara. Yasminlangsung diboyongdipasrah keun ka anak wali -

kota. Ngan, sanggeusaduha reupan jeungHabaslam, anak walikotanu kapincut ku Yasmin tea,garwa Aladin nolak sapa-jodongan. Kituna téh barinembong keun karep réknawek diri ku balati, kajeunmaéhan manéh.

Bagdad guyur, Aladinrék ditibanan hukuman.Nya tangtu wé, aya nu per-caya jeung henteu. Di an-tara nu cangcaya kanakalakuan Aladin téhAhmad Danaf bawahanAla din. Inyana teu percayasacongo buuk munpamingpin na kitu peta. Kulantaran kitu, éta bahawannu ogé sobat Aladin nea -ngan tarékah geusan nyala -metkeun dununganana.

Carana ngirim utusannéangan sakitan nu rék di-hukum pati nu rurupa -anana sarimbag jeungAladin. Pakarepan kitudirojong ku sababarahaurang baturna nu sapa-madegan. Ahirna, AhmadDanaf kalayan dibantuan

Page 30: Mangle 2482

29Manglé 2482

ku pagawé panjarajeung patugas nu biasanibankeun hukuman,bisa mawa sakitan nubengeutna sarimbagjeung Aladin. Atuh, nuditibanan hukumantéh, lain Aladin, tapisakitan séjén nu mé-mang merenah narimahukuman kawas kitu.

Peuting ka-267Saterusna Ahmad

Danaf ngayakeun gem-pungan husus. Nuhadir di dinya téhsakur bala-balad nubisa dipercaya.Makusd na, taya lian tirék ngaloloskeunPang lima Aladin tiBangdad. Pakarepankitu bisa dilaksana -keun kalayan lungsur-langsar lantaranAhmad Danaf gedépangaruhna dilingkungan prajuritBagdad mah.

Aladin nganuhun-keun ka Ahmad Danaf.Sabalikna, éta bawa-han mah, ngarasa me-unang kahormatan nukacida gedéna bisa nulu -ngan dunungan téh. Tidinya, kalayan rerecepanAladin miang ka tempatséjén ngajauhan puseurkota. Tujuanana meuntaska Aleksandria.

Sangeus balayar méa -keun sababaraha poé, Ala -din jeung Ahmad Danafanjog ka palbuhan. Ti dinyanu duaan téh muru pasar.Maksudna gé rék reureuhbari mikir-mikir pikarep -eun. Di pangreureuhan Al-adin mikir. Jorojoy ayahaté, kajeun rék matuh diéta tempat. Nu kapikirsaterusna, hayang dagang,nyewa atawa meuli toko.Da, usaha kawas kitu nu

inya na bisa jeung pahammah. Sanggeus tetelepék kaurang dinya, nanyakeuntoko nu bisa diséwa atawadibeuli, ahirna mah mang-gih beulieun. Haregana ku-rang ti sarébu dinar. Etawawangunan téh duatingkat, geus lila naker teukaurus.Aladin bébérés.Waktu ningalian lanté han-dap, kacida ngagebegnalantaran geuning di étatempat téh loba barang nukacida gedé haregana. Munditung-itung, meuli étawawangunan sarebu dinarmah, bakal kacida gedéuntung na.

Ku lantaran Aladin téhbiasa dagang, teu tumamuayana di dinya téh. Dinapoé munggaran, inyana

kalayan dibaturan kuAhmad Danaf mérésantokona. Keur beberesbagian nu beurat mah gam-pang, kari ngulikeun. Kucara kitu, isukna gé, étatoko téh geus bisa dibuka.

Heuleut sawatara poé,Ahmad Danaf pamitan.Jangji wéh, bakal datangdeui ka éta tempat. Aladin,ngidinan, sarta saterusnaieu salaki Yasmin téh ngu-rus éta tokona.

Ahamd Danaf mulangdeui ka Bagdad. Lain ukurmulang, tapi ngemu ka-panasaran. Ceuk pikirna,Aladin teu salah, da mé-mang kitu kanyataanana.Dununganana téh di -pitenah ku nu julig nuhayang nyingkirkeun Al-

adin tina kalungguhan -ana.

Mikir ka dinya,Amhad Danaf gé jadipanasaran. Haténa gilighayang ngabongkar étarusiah nepi ka Aladinbisa balik deui ka Bag-gad.

Peuting-268Kacatur di Badgad,

Jafar kacida kagetnawaktu ngadéngé Aladinditibanan hukum pati.Gancang éta mentri téhngadeuheus ka holipah.Mémang, teu apaleun timimiti Jafar mah, dawaktu kajadian téh keurngemban tugas di tem-pat séjén.

“Naha leres Aladintéh ditibanan huku-man?” ceuk Jafar.

“Bener!” walon holi-pah. Derekdek holipahmedar lalakon nu tumi -ba ka dirina. Atuh, Jafargé kaida kagétna, sartagegedéna mah teu per-caya. Ngan, teu bisamajar kumaha, da geuskitu kajadianana. Ceuk

pikirna, tiitis-tulis bagjadiri anging putusan Pange -ran Nu Murbeng Alam.

“Enya, tapi kula gé canningali jasadna!” ceuk holi-pah.

“Upama gamparan ho -yong terang, mangga wé damasih kénéh ngantungdina tihang.” Ceuk panga -wal. Holipah kaluar ti is-tana. Bréh layon ngagu lantung dina tihang pang-gantungan. Ngan, barangdisidk-sidik, kawas lainAla din. Jafar ngayakinkeunyén bisa waé geus jadimayit mah robah rupana.Tapi, holipah mah apalkana ciri-cirina. Dirinayakin yén éta mah lain Ala -din. *** (Hanca)

Page 31: Mangle 2482

Manglé 2482

Saban taun dina minggu kaduabulan Mei guyub direuah-reuah di sababaraha nagaraminangka “poé migrasi ma -nuk sadunya” anu katelahna

disebut “Hari Migrasi Burung Sedunia(World Migratory Bird Day)”. Dina taunieu tema pikeunngareuh-ngareuh acarapoé migrasi manuk sadunya nyaéta“Tempat Tujuan Liliwatan Jenis-JenisManuk Migrasi jeung Kagiatan Wisata(Destination flyways: Migratory Birdsand Tourism)”.

Sajatina perkaraseluk beluk migrasimanuk ninggalkeun kapanasaran jalmaréa ti baheula kénéh, hususna pikeunpara panalungtik jeung nu beuki (hobi)niténan manuk di alam (birdwatching).Kusabab kitu henteu matak héran, lobabuku anu ngaguarperkaraseluk belukmigrasi manuk nu ditulis ku para pa -nalungtik manuk atawa para penghobidina nitenan kahirupan manuk di alam-bebas. Tapi sanajan kitu, loba kénéhjalma réa hususna di Indonésia anu acan

loma kana istilah atawa harti migrasimanuk jeung wanoh kana rupa-rupamanuk migrasi.

Baheula waktu di Taman GanecaITB bisa dititenan loba manuk kowakmalam (Nycticorax Nycticorax) anubiasa kapanggihdina waktu beurangjeung nyarayang dina tatangkakalanmahoni. Tapi, soré-soré haliber ka luarti Taman Ganeca néangan kadaharan disawah-sawah di pasisian Bandung. Poéisukna, isuk-isuk kénéh maranéhnabara lik deui ka tempat asalna areunteupdina tatangkalan mahoni TamanGaneca ITB. Éta manuk galibna kuwarga Bandung disarebut “jenis manukmigrasi”.

Kitu deui rombongan rupa-rupamanuk anu saban poé daratangka PulauDua,Teluk Banten.Areunteup jeungnyarayang dina tangkal-tangkal bakau diPulau Dua, guyub ku jalma réa disarebutmanuk migrasi. Tapi, sabenerna rupa-rupa manuk éta téh lain manuk migrasi.Naon sababna? Hal ieu lantaran manuk

anu diécéskeun tadi guyubna nyarayangjeung ngarendog di Taman Ganecaatawa di Pulau Dua. Padahal anu di -sebut manuk migrasi mah, biasana hen-teu nyarayang jeung ngarendogna diIndonésia.

Manuk migrasi mah nyarayangjeung ngarendok di tempat asalna dimusim panas di wewengkon nagaralian.Tapi, kusabab di tempat asalna ayaparobahan musim, nyaéta datangnausum winter, hawa kacida tirisna, tem-peratur udara bisa kurang ti 50 derajatCelcius. Salian ti éta, sagala pakanmanuk di alam, saperti hileud, sireum,jeung sajabana jadi langka. Balukarna,jenis-jenis manuk migrasi pindah tem-pat nyingkahan hawa tiis jeung langkakadaharan, ngumbara ka wewengkonnagara séjén.

Rupa-rupa manuk migrasi biasanangumbara jauh pisan, bisapindah tem-pat rébuan kilométer ti tempat aslina.Sabaraha tempat di Indonésia, saperti diPulo Jawa, Sumatera, jeung Kalimantanenggeus kakoncara ti baheula kénéh jaditempat nganjor atawa pangumbaraansagala rupa manuk migrasi ti weweng -kon dunya pakaleran (northern hemi-sphere), saperti ti Siberia, Mongolia,Cina, jeung sajabana.

Rupa-rupa manuk migrasi ayana diwewengkon Indonésia ngan saukur dinausum hujan atawa usumwinter wung -kul. Tapi, lamun di tempat asalna diwewengkon northern hemisphere eng -geus réngsé usum winterna, rupa-rupamanuk migrasi biasana baralik deui katempat asalna. Jadi, anu disebut rupa-rupa manuk migrasimah henteu kungsinyarayang jeung ngarendog di pangum-baranana di Indonésia. Manuk anu nya -

Bandung Jadi Pangumbaraan

30

PPanineungan

Manuk MigrasiKu Johan Iskandar

Dosen jeung panalungtiklingkungan di Unpad

Page 32: Mangle 2482

31Manglé 2482

ranyang jeung ngendogna di we weng -kon Indonésia mah biasana di ka -tagorikeun kana golongan ‘manuk netep(resident)’ di Indonésia.

Wewengkon Indonésiati baheulakénéh enggeus ka koncara jadi tempatpangumbaraan rupa-rupa manuk mig -rasi dunya, utamanaasal ti wewengkonkalér, saperti ti benua Asia, Eropa jeungSiberia, ditambah ogé migrasi ti we weng -kon kidul, saperti Australia.

Kusabab kitu teu matak héran lamundina taun 1963-1970 Indonésia diilukeunku Pertahanan Amerika di Asia Tenggara(SEATO), jadi salah sahiji nagara tisabelas nagara di Asia anu ngilu kanaprogram survey burung migrasi,hususnapatalina reujeung panalungtikan penye-baran kuman panyakit anu biasaditepakeun ku rupa-rupa manuk,anukatelah programna disebut “MAP (TheMigratory Animal Patohology Survey)”.Tapi kabéhdieunakeun panalungtikanrupa-rupa manuk migrasi sacara globaldi Indonésia beuki arang.

Anu kacida hookeun ogé, sabenernamah wewengkon Bandung sacara rutinsaban taun dina usum hujan, kira-kiraSeptember-Maret jadi tempat pangum-baraan rupa-rupa manuk migrasi.Utama na manuk migrasi asal tiwewengkon northeren hemisphere,saperti Siberia, Mongolia, Cina, jeungJepang. Henteu kurang ti 25 rupa manukmigrasi dunia, kaasup 13 famili pernahkacatet aya di wewengkon Bandung.Tina sababaraha rupa manuk migrasiéta, 8 rupa diantarana kaasup kategorimanuk cai, 6 rupa manuk heulang jeungalap-alap (raptor), jeung sésana 11 rupamanuk migrasi anu biasa senenghirup didarat, eunteup di tatangkalan di taman-taman kota, jeung sajabana.

Rupa-rupa manuk cai migrasi anubiasa kabandungan di wewengkon sa -wah cekungan Bandung, di antarana waésaperti blekék (Gallinago megala), ha-hayaman (Galicrex cinerea), entod leun-cang (Motacilla flava), kicuit batu(Motacilla cinerea), kicuit hutan (Den-dronathus indicus), tilil (Tringa hypoleu-cos), tikusan (Porzana paykulii), jeungmanuk raja udang érasia (Alcedo athis).Pon kitu deui, jenis-jenis manuk migrasiheulang jeung alap-alap buas, biasa ka-catet di wewengkon Bandung, sepertielang alap nipon (Accipiter gularis), alap-alap kawah (Falco peregrinus), elang

alap cina (Accipiter soloensis), sikepmadu Asia (Pernis ptilorhynchus), elangbuteo (Buteo buteo), jeung alap-alapwalet (Falco subbuteo). Rupa-rupa ma -nuk raptor ieu aslina ti Cina jeungJepang, tapi dina usum migrasi biasa ka-bandungan eukeur hiber ngalayang dilangit luhur atawa enteup di tatangkalanluhur di pasisian Lembang jeung tempatséjénna di wewengkon Bandung.

Salian ti éta, jenis-jenis manuk mig -rasi darat ogébiasa kabandungana reun-teup dina tatangkalan di wewengkonBandung, saperti jalak cina (Sturnussturninus), bentet loreng (Lanius tigri-nus), bentet coklat (Lanius crisatus),sikatan (Muscicapa latirostris), sikatanmas (Ficedula zanthopygia), cikrakkutub (Phylloscopus borealis), kangkokranting (Cuculus saturatus),bubut pacarjambul (Clamator coromandus), sikatansisi gelap (Muscicapa sibirica) jeungmanuk kapinis Asia (Hirundo rustica).

Hususna manuk kapinis Asiasabantaun biasa kabandungan ceuyah jumlah -na bisa ribuan, mareuting di tempat-tempat istirahatna di wewengkon PabrikCoklat PT Ceres, Dayeuh Kolot Bandung.Tempat séjéna ogé anu biasa jadi tempatmareutingna manuk kapinis Asia nyaétadi Pasar Ciranjang, Cianjur. Di tempatieu saban poé, hususna pasosoré, biasa -na kabandungan ribuan manuk ka pinis

Asia areunteup dina kabel-kabel listrik,pikeun nyalsé sawatara waktu,ngareureuhkeun kacapé enggeus ngala -la kon ngumbara kacida jauhna ti Siberia.

Ngan kacida hanjakalna, kajadianceuyahna manuk-manuk migrasi sabantaun di wewengkon Bandung arang di-mangpaatkeun ku para panalungtikmanuk pikeun ngajembarkeunélmupangaweruh manuk (ornitologi). Ponkitu ogé arang dimangpaatkeun kubalaréa pikeun obyék wisata anu kacidapentingna jeung nguntungkeunana kanakajembaran wisata di wewengkon Ban-dung. Padahal di luar negeri mah, mig -rasi manuk dina musim migrasi téhjadikajadian penting pikeun kagiatanekowisata. Contona waédi Amerika,kagia tan ekowisata hobi niténan manuk(birdwatching)dina taun 1982-1983,jauh ningkat nepi ka 150%.

Tah, kusabab kitu pikeun waktukahareup mah, kagiatan birdwatchingrupa-rupa manuk migrasi diwewengkon Bandung kudu dipromosi -keun, utamana ku para panghobi nuniténan manuk di alam jeung parafotog raper.

Hal ieu pentingpikeun ngarojongwisata di weweng kon Bandung, supayaBandung jadi juara, kasohor dina nga-jembarkeun ekowisata birdwatching diIndonésia.***

Niténan manuk di alam bebas (birdwatching) guyub pisan di negara-negara maju,sapertiEropa jeung Amerika, katut penting pisan pikeun ngajembarkeun wisata.(Sumber

Foto: Hume dan Couzens ‘2005’)

Page 33: Mangle 2482

Manglé 248232

CCarita Nyambung

Ka ditunamah ngadonngawangkong teu puguhkarep, barinengetan

anu tinglaliwat katut anudara tang ka dinya. Disidik-sidik sugan aya babaturananu saentragan. Tétéla eu-weuh. Barudak sahandapeunwung kul. Dina wawuhna ogéukur tibang wawuh mun -ding. Komo anu séjén juru-san mah, lebeng baé teuapal-apal acan. Jeung si Yopikatut si Ramdan gé teutepung pisan poé ayeunamah. Duka keur di marana.Padahal biasana sok rajeunkawénéhan. Mun teu di dieu,nyampakna téh di buruanfakultas, keur nalangkring.Saenyana anu dua éta mahgeus ti opat bulan kamari di-wisudana téh. Ngan sokaraya kénéh liar ka kampus.

Ku lantaran si Engkostuluy riweuh deui ngagugu-lung mesin potokopina,antuk na kuring amitan. Léos

baé ka sékré téater. Suganmoal cuang-cieung teuing,da di dinya mah najan jeungnu sahandapeun ogé geuskaitung omhang. Tapibarang srog kasampak ukuraya duaan, si Rike jeung siRio.

“Lawas Kang, maningampleng euweuh ka dieu,”cék si Rio.

“Ka marana nu séjén?” “Karuliah kénéh sigana

mah. Kang Lukman jeungKang Heri keur ka handapheula sakeudeung.”

Gék milu diuk. Heuleutsawatara lila, sanggeuskadéngé adan asar, kakarajul-jol daratang. Teu burungbisa gor-gar deui ngawang -kong bari saleuseurian, nepika tengah peuting.

***Tilu poé ti harita, teu bu-

rung laksana ogé miluansidang.

Ti jam satengah tujuhogé geus saged. Dikaméja,dicalana katun. Suku di -sapatu pantopel anu kakara

meu nang nyemir. Ari leung -eun ngagiwing jas alma-mater. Tadi basa keur ku rah-koréh kana lomari, makéditeuteup heula éta jas alma-mater téh. Dilelekan kaénna.Najan geus genep taunleuwih gé asa teu weléhanyar baé jas téh. Kelirna canluntur. Bubuhan tara dipakéunggal poé. Ukur dina acara-acara resmi wungkul, modélmusawarah mahasiswa,atawa ospék.

Tapi poé ayeuna minang -ka panungtungan kuringmaké jas almamater téh. Kadituna mah meureun ukurditunda deui dina lomari. Di-pangsiunkeun mun pagawénegeri mah. Bubuhan anubogana ogé téréh “pangsiun”jadi mahasiswana. Ké wémeureun rap deuina téh la -mun keur pareng sono ha -yang ngajaran, bari miti neung mangsa-mangsalawas keur di kampus.

Sanggeus sidik euweuhnu tinggaleun, kencling inditbari nyoréndang kantongbadag. Eusina skripsi meu-nang motokopi téa.Leumpang sajajalan barengjeung mahasiswa anu ting -pucunghul ti unggal lawanggang. Saréréa pada-padamuru pukul tujuh. Bet rasinget ka jaman tingkat hiji.Kitu kuring gé. Jam satengahtujuh téh geus ngincrid sieunkabeurangan. Aya kalana teukaburu sasarap-sasarapacan. Getol nakeranan haritamah. Kangaranan maha sis -wa anyar. Ongkoh deuih dalumrahna kitu tingkat hiji

mah, sok kabagéan isuk-isukwaé, tuluy numbu nepi katengah poé.

Nincak tingkat dua,kakara jadwal kuliah téhmimiti clak-clok teu puguh.Angot deuih harita mah geusmimiti kaeunteupan panya -kit kedul. Geus katutumananbagadang ongkoh. Antuknakuliah pukul tujuh mah lobaanu ditajong. Heueuh, dapasti hudang téh jam dalapa -nan. Kana solat subuh mahgeus teu inget-inget acan.

Kaluar ti jalan gedé, braska jalan raya. Ti dinya ngiduldeui saeutik. Kakara meun-tas. Sup baé ka gerbang kam-pus. Kasampak geus ramé,balawiri ku pirang-pirangjelema jeung kendaraan.Enya, ayeuna téh apan poéSenén. Meujeuhna rék ramétéh. Ngan saterusna bet asajadi kaingetan, horéng geusaya sawatara bulanna kuringteu nyaksian raména kam-pus wayah isuk-isuk sigakieu. Bet tuluy ngarandegsakedapan lebah pertélon,ngadon nyérangkeun pirang-pirang léngkah nu gurung-gusuh. Asa hayang nyi dik-nyidik deui tangtungansoran gan genep taunkalarung. Ukur nyidikkeundina ciciptan tangtuna gé. Dajirimna mah apan aya didieu. Diimpleng disiga-siga,enya, meu reun moal jauhjeung ma ra néhna anu ayeu -na keur bala wiri. Tuluynyéréngéh sora ngan. Teu lilaléos indit deui muru gedungfakultas.

Tapi di dieu gé bet hayoh

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

2727

Page 34: Mangle 2482

33Manglé 2482

kadon ngaheneng deui lebahpanto gedung. Dak dumadakbet hayang ngusapan heulapanyekelanana. Tuluy panto -na didorong lalaunan.Bareng jeung brayna pantomuka, sakedét nétra ingetangé tuluy muka deui ka mang -sa lawas. Di dinya, di tempatanu éta, narémbongan deuipirang-pirang gambar ka -larung, mangsa kuringbabarengan jeung barudak.Si Risa, si Yanti, si Adis…loba. Panungtung beungeutAstri anu kumalangkang téh.Ngadadak bet asa nalangsa.Di marana ayeuna? Teukarasa tuluy tumanya kituhaté téh.

Mun teu digebah ku siWahyu mah, satpam fakul-tas, sigana bakal kalalanjoa -nan ngajanteng di dinya.Buru-buru indit deui, naékka lanté dua. Srog baé karoha ngan jurusan. Karék ayatiluan anu geus datang téh.Kabéh gé barudak sahanda -peun. Gék baé milu diuk didinya. Jeung nu araya didinya ukur nyarita saperlu -na. Saterusna mah itu ieupada-pada tingharuleng.

Teu réa anu sidang poéharita téh. Ukur aya duabelas urang. Nu matak najanprungna jam satengah dala-pan gé, jam dua belas téhgeus réngsé deui. Salila diujiku pembimbing, asa tayapertanyaan anu hésé. Lancarwaé. Malah pembimbing anuhiji mah kaciri lamun ma -néh na teu nyangkem kanamatéri pedaran. Sigana téhgeus loba tinggaleunana, taranuturkeun kamekaran sas-tra. Nu matak pamustungan -ana lain nguji, tapi kalahnitah ngadadarkeun deuieusi skripsi.

Sanggeus kabéh réngsédiuji, tuluy baé ngumpuldeui, pikeun nampa pengu-muman hasil sidang jeungniléy IPK. Alhamdulillah, teunguciwakeun. Kétang barinaogé teu ieuh ngungudag IPK.Uyuhan tuda, sakitu kuliah -

na gé loba amburadulna.Réngsé éta, kakara wépupuhu jurusanngawilujeng keun. Teu patidireuah-reuah harita mahréngsé sidang téh. Euweuhnu tuluy nyimbeuhan ku cai,atawa ngawuran makétipung aci. Sigana lantarananu sidangna ogé saeutik.Bubuhan panyésaanwungkul.

Batur-batur tuluy balu -bar téh kuring mah ngahajamandeurikeun manéh.Ngadon kulantang-kulintingmapayan unggal rohangankelas anu baheula sok dipakékuliah. Di lebah urut bieusidang ngan kari sababarahaurang deui. Pagawé fakultaswungkul, keur ngawarang -kong. Urut bieu ramé ngankari sésana. Sakedapan men-

crong ka sabudeureunana.Gedong fakultas karasasimpé. Simpéna parat kanajero haté.

16SANGGEUS réngsé

sidang mah kakara mikiranbalik ka lembur. Barang-barang, pangpangna buku,mimiti dibérésan, diasup-asupkeun kana dus urut.Angkanan téh ngarah engkékari ngakutan waé kanamobil. Saenyana kontrakantéh béakna bulan Juli. Nyésakénéh genep bulan deui.Dipikir-pikir asa mendingdioper-kontrak ka nu séjén.Kajeun baé dimurah-maréhogé. Lakar bisa kagantianbaé saeutik-eutikeun. Ngantungtungna mah éta niat téhbolay, lantaran si Lukman

butuh tempat keur ngetikskripsi.

“Manéh mah uteuk téhkapitalis waé. Menggeusurang tempatan wéh kuurang,” pokna basa keurtepung di sékré téater.

“Heueuh tadina mahbatan lebar diantepkeun. Kopatuh ari rék ditempatan kumanéh mah,” témbal ku ring.

“Iraha pindah téh? Munbisa mah ulah waka akut-akut, euy. Keun wé antep-keun heula. Pangpangnamah urang téh butuh kukomputer. Kagok keurméréskeun skripsi. Geus nin-cak bab opat, yeuh!”

“Ah manéh mah! Geusdigratiskeun téh maké lobapaménta deuih.”

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2482

ngké pisaming -gueun deui kalebaran, inong geus

kudu aya di dieu nya, baéda ayeuna mah aya bi Ijahkénéh. Ulah kudu ditele-pon. Ibu rariweuh arinying hareupan lebaraneuweuh nu babantu didapur teh.”

“Bérés bu…, manggaatuh ayeuna Inong badémuling heula ka lembur.”Bari ngagusur koper gedéeusi baju jeung oléh-oléhnang paméré ti dunungananyarna.

“Jung… ati-ati di jalannya. Omat!”

“Muhun bu, manggaatuh.”

Sanggeus pamitan,Inong ka luar dituturkeunku paneuteup dunungan -ana. Inong luak lieur,sanggeus aya angkot nungaliwat, Inong megat,clak naék. Da kitu anudituduh keun ku dunu -ngan ana ka manehna.Malum Inong mah jelemaanyar ka kota. Komo kuduaya dikota Jakarta anusakitu raména.

Sanggeus aya di termi-nal, Inong lunga-lengo.Panonna mapay kana ge -dong-gedong anu jarang -kung. Jorojoy bet hayang

nyobaan mondok diHotél. Baé lah, meung -peung boga duit loba nangpaméré di dununganana.

Sanggeus luak-lieuk,Inong meuntas jalanmuru ka hiji hotél deukeutterminal. Hareupeunhotél Inong ngahuleng…

“Kudu kumaha mimi ti -na nya? Era ngomongnagé…” Inong ngagerentesbari ningali jelema anu nuturun dina mobil méwah.

“Tah ning aya jelemanu dék nyéwa hotél jiganamah, dék nurutan wé…”Inong ngadeukeutan etajelema, nuturkeun di tu -ka ng eun.Bener wé, etajelema téh langsungmesen kamar. Inongmeuni ti kerung-kerungngadéngé keun anu keurmesen kamar. Sanggeusngarti, Inong seuri so ra -ng an.

“Selamat sore, adayang bisa saya bantu?”

“Euu… saya mau pesenkamar satu.”

Sanggeus sawatara lila,resepsionis ngageroansalasaurang room boy.

“Pa, tolong tanteuInong antar kan ke kamarnomer 83. Ini kuncinya…”

“Siap Bu…” barinampa nan konci.

“Silakang Ibu ikuti saya.”Inong nuturkeun room

boy.Haténa jol galécok

sora ngan. Saumurnyunyu hun hulu, karékayeuna bisa saré di hotél.Enya wé meuni aréndahkieu di jero hotél téh.Tuda keur pantar Inongmah anu sapopoéna cicingdi lembur. Boro-boro kabisa ulin kanu kitu, sapo -poé na gé ulin jeung beloksawah, atawa jeung pasirngala sampeu.

Ngan sok keuheul wéka Si Icoh nu geus lila dikota, mun balik ka lemburtéh agul pisan, sok ngo -mong-ngomong kungsimondok di hotel. Kitudeui ceuk Si Una anu basaliburan jeung dulurnadibawa ka kota, saruakungsi saré di hotél.

Ayeuna giliran maneh -na. Pasti bakal galécok kaUni jeung Icoh kumahangeunahna saré di hotél.

“Silahkan…” Room boynitah Inong asup ka hijirohangan. Inong asupnutur keun room boy.

Barang sup…Inong ngarasa eungap.

Sumpek, jaba sempit.Sakurilingna kacahungkul. Jaba jol rey

hayang utah…Inong keuheul. Asa di-

heureuyan ku nu bogahotél… maenya aya kamarhotél hareurin kieu, hanaswe mayar mahal.

Gantawang Inongngambek.

“Cing atuh mang! Tongkéna-kéna ka urang lem-bur!”

“Apa???” room boykerung, teu ngarti kanababasaan Inong.

Inong surti, yén ma -neh na keur di Jakarta.

“Haiii… andamenghina saya yah!!!”

“Ada apa yah? Apasalah saya?”

“Saya ke sini maunyéwa kamar yang besar,kok dikasihnya kecil begi -ni, mana sempit lagi.”

“Hehehehe….” Roomboy karek surti.

“Apa anda ketawa?Menertawakan sayayah?!”

“Ohh… tidak bu.Maksud snya, ini bukankamar hotél. Kita maunaik ke lantai dua.

Jadi ini baru ma suklift bu, bukan kamar yangkita tuju.”

“Teuing aahhh…!!!!”Inong parada beureumbeungeutna.***

Mondok Di HotélKu Rosmawati

Manglé 248234

”E

Page 36: Mangle 2482

Asalna mah Saya

Asalna mah sayah biasa karyawan han-dap, pangasilan karasana tara nyeka-pan. Kahirupan matak bayeungyang,

anak ranghap pamajikan begang, jabahutang kamana-mana geus sesah ngétangna.

Aya niat seja muja ka sagara, tatapa kaguha-guha. Ngan asa béda jamanna, najanenya jaman udah édan. Sedang pikirangagarapakan, baranyay aya ilham Lakadalah,naha aya otak ngacay kacida. Miluan kawasdemonstran geura, ngarah boga parab baru-dak lan ngabayuan pamajikan. Ngan asamoal kaawakan. Ah mendingan sakaliansajah nyalonkan anggota Déwan nyang ter-hormat, susuganan aya jurag, aéh sétantumpak kuda. Dina mangsa pamilihan, najankaga mésakan angka kopéah, lumayan angkasalampak sampéan kabiruyungan. Sayah lak-sana dina dada ngajeblag tanda anggotaDéwan ngawakilan anggota partay bulanbéntang baranang. Suka bungah awarwatasuta, tangka hilap ngucap Alhamdulillah.

Asalna mah tambarakan, katambahlapar lan hana’ang. Lada sawadah béak di-hakan, amrin teu nyésa sasiki-siki acan.Malah pamajikan ogé hayang kawas selebri-tas kakoncara, boga rupa lan sora emas. Étatéa nyang goyangannya matak éra parada,nyang sora gendangna dat-dat dat (dhang-dhang-duttt, kituh mani kabéh kuducalawak!). Lila-lila dasar manusa, selebritasga matak sugema, jaba langka aya da iinditannohonan pangondang nyang hajat. Wahgawat, aya kapala nyang atas kuat, kapalabawah kagak tahaaan.

Ngan, naha boga otak ngacay kacida, panloba wanoja séwaan? Atawa ménta tambahka juragan-juragan, gambarna pilihan heula,simpenan di handap méja. Hanas éta jikanngagarawak, naha talak sajah sakalian.

Asalna mah korupsi téh lir nyair teri,teras kana burayak peda. Lila-lila biasa kanaiwak badag, kakap mah rada lila kaliwat.

Ayeuna mah sayah ngahontal kelasbayawak, lantaran sagala dihakan. Kakayaantanpa kawadahan, villa aya salapan, pama-jikan dalapan, sédan opat welas, pausahaantan wiwilangan, ngawitan tina pausahaanngolah kadaharan bala-bala, pisang, kupatdugi ka boga kapal terbang.

Basa aya Utadz ngawawadian: “Awasétah, lalawora katohyan KPK! Jaba milam-pah kalakuan Syétan!” Ah, naha usilansagala, usilan mah kabita, nya? Saha-sahaaya niat ngahalangan, sayah bakal ngalabrak.Ulah sambat kaniaya. Lantaran baha kana pi-wejang wong atua, ahirna sayah dipanjara.Hag, siah!

Wah, kacida hanjakalna upama anggota

Déwan sarua ningkahnakawas si Éta. Naha sadayanaanggota Déwan kawas si éta?Boa-boa, nya Abah ?

Endan Sukanda

Timbel Panglawungan

Basa keur ngeprek mepel-mepel sangudina lambaran daun cau beunangngaleumpeuh, ras waktu riungan sa -

minggu ka tukang di kantor Manglé, rikatnémbal asana téh naon banggana pira nim-bel.

“Keun lah, urusan nimbel-menimbelmah sérénkeun ka Akang, meungpeung ha-neut kénéh panén.”

“Dil tah nya!” Si Bungsu bareng jeungTuti nunjuk ka kuring, kuring gentak nga-cungkeun jempol. Godréd wéh dituliskeun.

“Mah, mahi lima létereun mun ngadameltimbel?” pok téh ka indung budak. Karak gébiwirna rék nguntap, kuring nyusul tepus, “Daun cauna mahi dua ponggol?”

“Ké heula, sabaraha gendul timbelna,porsi rampus atawa ancin?” Indung budakmuncereng mangka karak ngampih kapangkéng.

“Opat puluh gendul, porsi konsuménrewog,” “Euleuh, goréng-goréngna gé sapu-luh léteran mah kudu. Daun cauna dalapanponggoleun.” Indung budak kerung, kuringngahuleng. Bérés solat subuh, indung budakngaléteran béas laju diisikan brus wéhngagigihan kana citél jumbo. Kuring nga be -retek ka pipir imah, keplas keplas nilas dauncau. Dirigdig ka patengahan, sorodot sorodotngaléot daun ku setrikaan. Becir ka imahtatangga rék nginjeum boboko badag nar-jamahkeun instruksi indung budak anujéjéréwétan ti dapur. Daun cau diguntinganditumpangkeun kana lambaran keretas nasi,dobel jadina nya daun nya keretas nasi.

“Kang, omat sing arageung timbel téh!”Dian Wulan nga-sms pasosoré, teu dibaleskahambur-hambur pulsa, mafhum pokonamah manéhna ngawakilan suara hati parawanita anu keur meumeujeuhna rampuskana sagala. Nu matak sakur anu gabung karumah mungil Panglawungan 13 ngadaradakbaruheukeu cukup ngaliwatan dua tilu kalipertemuan. Ka nu rumaos ceking sarta seu -seut-seuat ningkatkeun berat badan, hadégabung wé ka P-13, perkara teu bisa ngarangcarpon mah séjén urusan. Gusti, sugan téhpagawéan énténg, jam tujuh isuk-isuk karékmeunang lima belas gendul sakitu téh cacak-cacak dibantuan ku patih goah.

“Babari sotéh ngadamel sagendul duagendul, narajang opat puluh gendul kieu mahsanés garapan bantrak-bantrakeun, Jura-gan!” indung budak tepi ka manyun-manyunnyindiran ka kuring, cacakan ka salakinakomo mun ka maru!

“Kang, abdi ngantosan yeuh di Dayeuh

Kolot.” Umigina nga-sms. “Saé ngéténg wé Bu Guru, kumargi abdi -

na masih ngukey nguriwek-nguriwek tim-bel.” Balesan kuring tandes, dibales ku tandaseru meni ngadérédéd, terus gambar nu keurngelél. Teu lila Aceuk Esnat ngabél cenahongkoh rék datang pasubuh-subuh ari jebulka buruan Manglé tariiseun kénéh, diwawaasmeureun kukulintingan sigah nu kaleungitanpopotongan. Kuring hahampuraan lantaranlogistic can kasampurnakeun. Jam dalapancan bérés-bérés hadéna sanguna teu bede-gong dieplé-eplé téh, éstuning saguriwek-saguriwek. Satengah salapan rap disalin,timbel digeblus-gebluskeun kana dus.Juring kang ka hareup, gucrak-gucrak nga -haneutan Si Wiru,

“Sing hideng siah Wiru, aing keurmancén babagi timbel deuleu!” Si Wiru téhngaran motor kuring lengkepna Si WiruSablung, jekok-jekok jokna digitik. Siap,laksana kan Bos! Kitu meureun pibasaeun SiWiru bari ngagibrig kerep. Dirigdig nga-jingjing dus timbel, clak,

“Bismillahi Tawakkaltu ‘Alalloh, sirepaing sirep jamparing, jalan macét salin jinistaya aling-aling, jalan panjang purek keuraing!” Biur ka kulonkeun. Berekah kurang tisajam geus ngabagug di buruan Manglé,berekah deuih timbel téh payu pisan malahloba anu kamerkaan, atuh sésana sababarahagendul dibahankeun hiji séwang. Jam duakeur nongtoréng sabubarna ti Manglé meng-peng ka Soréang niat ngalongok si Cikal nukeur masantrén. Kasampak Si Cikal geusnagog ngadago-dago, gebro timbel meunangmisahkeun, gebro deuih honor carpondibikeun da cenah loba beulieun. Balik kaimah ngégél curuk, Si Wiru tepi ka ngadédodpangaruh nu tumpakna kurang vitamin. Tapiaya kareueus ku Si Cikal, teuing pédah sokmaca tulisan bapana dina majalah atawa mé-mang geus mimiti renung bakat tulas-tulisna,

“Yah, seratan Ajeng hoyong dimuat ihdina Koran!” pokna bari némbongkeunkopéan carpon dina buku tulis, kerung-kerung ogé tulisanana diilo. Lumayan ogégeuni ngan!

“Heug atuh tapi ku ayah urang ilo heulanya,”Si Cikal mun henteu mah surak bakatku atoh. Tepi téh ka imah, teuing ku nahnaylantaran bénsin Si Wiru jeung pésak kuringdadas korédas. Nu anéh bin kagét abongGusti mah tara jalir kana jangji-Na, abongkumaha pepelakan, abong ikhlas barangbéréna bada isya jug aya anu pupuntenan, aribréh téh tatangga rada anggang keur mundakkarung, hoyong katuang ku Kang Emha,hatur lumayan saé mah pimanaeun cenah,nyiar-nyiar piatoheun. Diroris téh béasleuwih ti salawé léter. Alhamdulillah. Keunengké dina panglawungan bulan hareupnarék nimbel deui nu ukuranana baredegul.Cag!

Emha Ubaidillah Tegalluar Rewah

35Manglé 2482

Page 37: Mangle 2482

Sarua teu balegna I

Omod : Euy! Tadi peutinguing lalajo Jerman jeungPortugal…Uned : Laahh pira kitu,uing ge lalajo atuhOmod : Nyanyahoanan!Lalajo kitu?Uned : Lalajo atuh!Omod : Sotoy! Pan peutingmah pareum listrikna ge.

Ade Solehudin

Jl. Jamika 35 Bandung

Sarua teu balegna II

Uned : Tah munmangkukna mah uinglalajo Inggris jeung Itali.Omod : Sotoy deui waemaneh mah.Uned : Na kumaha kitu?Omod : Pan geus saminggupareum listrik teh.Uned : Pan uing mah lala-jona make lampu sénter.

Ade Solehudin

Jl. Jamika 35 Bandung

Tatarucingan I

Udung : Bola naon nudipikaresep ku barudak.Iin : Aaahh… bola mah kubarudak dipikaresep, kukolot ge sarua. Ari kitu bolanaon?Udung : Bola nu dipika -resep ku budak mah nyaetaBola Emon.Iin : Maksakeun manehmah!

Ineu Sulastri

Jl. Bank No. 135 Garut

Tatarucingan II

Abang : Pelatih anu mi-neng diusir saha cing?Odo : Nya aya atuh.Abang : Saha?Odo : Fergie.(pergi) Alias siferguson urut pelatih MU.

Ineu Sulastri

Jl. Bank No. 135 Garut

Klub Bola

+ Klub bola naon nu pang-pinterna?- Gampang!+ Naon?- Pinter Milan…

Moch. Afrizal

Jl. Galunggug 88 Tasikmalaya

Bunder

- Bola naon anu teu bun-der?+ Nya bola benjol atuh!- Bisaan euy!!

Moch. Afrizal

Jl. Galunggug 88 Tasikmalaya

Keuheul

Pamajikan : Unggal poelalajo piala dunia, ni teuperhatian pisan ka abdimah, jalan-jalan atuh damalem minggu ieu teh! Soklah taruhan naon, pastiakang mah poho nya poenaon urang harita kawin?Salaki : Apal atuh! Haritakawin teh pas pinal pialadunia Belanda jeungSpanyol.

Anggie M.

Komp. Permata biru Blok

V/341 Bandung

Pasosore.

Dodi : Man…, uing jeungbabaturan rek maen bolaka kota, dek miluan moal?Maman : Moal ah.. teu bisananaon uing mah.Dodi : Teu nanaon, dabutuh na ge jadi suporterhungkul.

Anggie M.

Komp. Permata biru Blok

V/341 Bandung

Angker

+ Cenah gelora AlianzArena teh angker.- Na kumaha kitu?+ Mun enya angker, ningtara dipake keur shoting ujinyali nya?

Tresna Rahayu

Jl. Arjuna 126 Bandung

Agul

Brazil : Di negara uing mahterkenalna ku gaya goce -kan goyang samba.Argentina : Di uing ge aya,gocekan goyang tango.Indonesia : Na da uing geboga!Brazil & Argentina : Naon?Indonesia : Loba di uingmah, aya goyang ngebor,goyang gergaji, goyangpatah-patah…!”

Tresna Rahayu

Jl. Arjuna 126 Bandung

Jawa vs Kroasia

Ramidi jadi Ramidic.Samijan jadi Samijic.Sumanto jadi SumanticKusno jadi Kusnic.Budianto jadi Budianduk.

Agus Gunawan

Jl. Macan 167 Bandung

Bal

“Uing mah teu ngarti, nahabal hiji diuudag ku duapuluh urang? Mun ceukuing mah bere wae hiji pa-maen hiji bola!”

Ari Arianto

Jl. Emung No. 16

Bandung

Kulit Jeruk

“Lamun piala dunia diaya -keun di Indonesia, cenahbalna rek ku kulit jeruk!”“Kabayang si Messi atawasi Ronaldo oge moal bisanyepak, jajauheun kanangagolkeun!”

Ari Arianto

Jl. Emung No. 16

Bandung

Sawah Garing

“Ceuk uing mah nu jaragomaen bal teh lain ti nagaraBrazil, Jerman, Inggrisatawa Belanda!”“Tapi?”“Ti lembur urang. Coba dilembur mah maen bal disawah garing oge jadi,barisaeun deui ngasup-keun. Komo lamun dibawaka lapang hade siga di na-gara batur!”

Ari Arianto

Jl. Emung No. 16

Bandung

Tuan Rumah

“Uing mah moal mang-mang, wani jeung ludesnaloket! Brazil euweuh deuinu bakal jadi juara duniamah.”“Har, naha? Apan loba na-gara nu leuwih jago tiBrazil, aya Argentina,Spanyol, Jerman, Wa-

Manglé 248236

Page 38: Mangle 2482

landa?”“Inget faktor tuan rumah,dimana-mana oge ari nuboga imah mah boganyaho seluk belukna la-pang!”

Ari Arianto

Jl. Emung No. 16

Bandung

Teu Kuat

Deni: “Urang mah teu kuatlalajo bola teh ari kudutiluanana dilalajoan mah!”Cucu: “Naha?”Deni: “Coba wae geura. TiJam sabelas kudu nanclebdina tv nepi ka isuk-isuk,isuk-isuk kudu gawe nepika sore di pabrik, balikngalembur jam salapan.Diitung-itung sare tehngan dua jam. Matak ieuawak geus dua poe gering.”Cucu: “Tong maksakeunatuh ari teu kuat mah!”Deni: “Atuh da moment 4taun sakali ieu teh!”Cucu: “Kumsiba wae ah arikitu mah!”

Dani M. Priatno

Sindangsari - Kab. Garut

Rugi

Roni: “Uing mah gehel tehrugi gede euy!”Ayi: “Har, naha kitu?”Roni: “Enya dinaangkeuhan teh jawa ber -tahan mah moal mungkineleh, kangaranan jawarabertahan. Ari pek geuninglaga munggaran jawarabertahan teh dibantai teh,Spanyol dibantai ku Wa-landa, meuni nepi ka 5-1!”

Dani M. Priatno

Sindangsari - Kab. Garut

Moal Ngadukung

Aki Usep: “Rek nepi kairaha wae oge, Aki mah teurido jeung teu ngadukunglamun Walanda jeungJepang jadi jawara pialadunia!”Incu Usro: “Har, nya nahaAki? Sakitu Walanda ka-mari ngabantai jawarabertahan Spanyol dugi ka5-1?”Aki Usep: “Bongan atuhharita ngajajah ka Indone-sia, kade hidep oge ulahrek ngadukung nagaraeta.”

Spanyol

Doni: “Ngalawan Spanyolmah dipahing make kostimbeureum?”Acep: “Har, nya naha?”Doni: “Apan disebutna ogetim matador, ke bisi nga-muk mun ningali papa -kean warna beureummah!”

Dani M. Priatno

Sindangsari - Kab. Garut

Teu Usum

Ari: “Tong, rek milihmana? Jokowi atawaPrabowo?”Otong: “Maneh mah teugaul pisan. Teu ngindungka usum mibapa ka jaman.Ayeuna mah teu usumpopolitikan, matak pi-paseaeun. Mendingngadukung nagara mananu bakal jadi juara dunia.Uing nyekel Jerman lah!”

Amalia Yustika

Soreang – Kab. Bandung

Pamere

Ado: “Maneh mah teu kon-sisten pisan, cenah

ngadukung tim Jerman.Ari eta geuning mamakekaos tim Brazil?”Adi: “Da ieu mah pamere,lebar wae teu dipake mah.Da ayeuna teh pan keurusum mamake pakeanjeung asesoris bola.”

Amalia Yustika

Soreang – Kab. Bandung

Licik

Adi: “Lamun aya wasit nubeurat sabeulah nu salahsaha? Pamaen nu dimeu -nang keunana atawa wasit -na?”Wawan: “Nya wasitna atuhbeurat sabeulah. Kudunawasit mah adil.”Adi: “Salah, nu licik mahnu nyuapna. Da lamun eu-weuh nu nyuapna mahwasit oge moal beuratsabeulah!”Wawan: “Nyahoan aritukang nyuap mah!”Adi: “His, kepres siah!”

Amalia Yustika

Soreang – Kab. Bandung

Merumput

Ceuk Aki Kuring: “Pamaenbola teh sok diistilahkeunmerumput di urang mah.Saperti si Ronaldomerumput di Real Madrid,si Messi merumput diBarcelona. Naha da biasa -na anu merumput mahsapi atawa munding anukeur diangon.”

Amalia Yustika

Soreang – Kab. Bandung

Dibaeudan

“Mun kuring lalajo bola tehpamajikan mah sok jubras-jebris, pajarkeun teh

leuwih mentingkeun boladaripada pamajikan. Atuhbasa tempona muriangparanas tiris gara-gara lobabagadang teh kuring jadimalik dibaeudan. Ngantempo kateterusan mahteu burung pamajikan tehdagdag degdeg nyiar ubar.Hehe”

Andri Irawan

Bojongsoang – Bandung

Bati Lalajo

“Bati lalajo bola bagadangunggal peuting teh kalahnambru gering.Palangsiang teu bisa lalajofinal. Mangka beuki dieubeuki rame piala dunia teh.Tempo rek hudang peu -ting-peuting, didudut man-ten ku pamajikan baridigelendengan yen lamunkuring gering kateterusanembung ngurus cenah, dageringna dijieun ku sora -ngan. Tobat teu bisa lalajokaya kieu mah.”

Andri Irawan

Bojongsoang – Bandung

Lalajo Bola“Ngahaja sare teh beurangkeneh. Jam dalapan oge geusngampih ka kamar ngeukeu-pan pamajikan. Dinaangkeuhan jam sabelas rekhudang, rek lalajo piala dunyameh guyub jeung batur. Nganunggal peuting teh leuleuswae, antukna hudang teh jamgenep isuk-isuk wae unggal-unggal teh.”“Nya naha bisa kitu? Masangalarm atuh?”“Alarm geus dipasang, nganpamajikan sok menta waejatah unggal samemeh sare.”“Paingan atuh ari kitu mah.”

Dani M. Priatno

Sindangsari - Kab. Garut

37Manglé 2482

Page 39: Mangle 2482

SSajak

38 Manglé 2482

Nita Widiati Efsa

LAGU CIMATANya saha atuh ieu teh nu ngagunasikaNyasaak rasa ku rungsebna cucuk kanyaahPasawahan hate nu tanduranna ayeuh ku anginPasiksak raga saawak-awak sanggeus rubuh Rata jeung taneuh. Tacan reuneuh beuteungTacan waktuna manen. Tacan buncir leuit Ukur kahapa dina ranggeuyan nu hejo kenehUkur kahanjakal nu ngagulusur nyengked na galenganKongkolak. Ngocorkeun cikapeurih nu dipaes sadah apu

2012

SITU GUNUNG 1naon nu kaimpleng ku anjeunkasimpe peuting, borelakna dilak bulan tengah talagasarta sora cihcir nu ngukir wanci ku wirahmanaatawa panineungan pasini urang nu kateug?hawa nu tiis mancegkeun weningna pikirteuing sabaraha sujud kaungkelkeun ka jabaning patihirup saenyana merenahkeun tempat mulangpangrereban sajati nu tinggal malikeun dua sisi rema

naon nu kaimpleng ku anjeunsanggeus sagalana tumuju wungkul ka dzat nu luhunglaksana nyingkahan mangrewu pangirut kembangnaha asih kamari bakal angger jadi bugang poeAtawa turus-turusna melentung milu meletekna srangenge?

2011

SAYANGHEULANG

Aya nu ngedat napak megaLalampahan urang. Buana hateNu hujungna alak paul

Aya nu ngagentra na saleser kilatGumeleger lir tembang Dasamuka. Basisir hateWirahmana tina jumegur jeung motahna lambak

Aya nu ngaheruk ngeukeup harigu langitCangcaya kana mangrewu papasten. Jatining hateKacoretkeun dina rajah asih musaf suci sang nabi

Aya nu ngalimba cimatana ngembeng ngalametan kikisikGalura hatena silih udag silih peupeuskeunPeuray saharita neumbag keuneung poe

Anjeun, estuning lalanang nuras jagatJaladri kemba nu kembangna karang ranggoasHiliwirna angin asin nu ngagaringkeun tungtung irung

2011

Page 40: Mangle 2482

DDongéngAkiGuru

Geus sababaraha poé kan-jeng raja teu kersaeuncalik dina korsi gading gi-

lang kancana. Sapoé-sapoéna téhngadon nyanghunjar lambar di naubin. Kalan-kalan sok dadapa -ngan sagala bari teu lirén hum -deuar dibarung luh-lah pé dahnandangan hawa anu kacidapanasna.

“Gulang-gulang, cik pang -néangkeun Si Abunawas!” saurkanjeng raja bari ngudaranraksukan ana tuluy dipaké nga -geberan awakna. Gulang-gulangteu baha, deregdeg lumpat sejanéang Abunawas. Teu kungsisatengah jam geus norojol deuingiringkeun Abunawas.

“Aya pikersaeun naon Jura-gan nyauran abdi?” cék Abuna wassanggeus diuk payuneun kang-jeng raja.

“Kieu Abu… katingali jeungkarasa meureun ku ilaing panon-poé sakieu morérétna, panas liwatsaking. Hawa karasa nyongkabliwat ti misti” saur kanjeng raja.Abunawas unggut-unggutan barinempo ka luar nu keurmeuemeujeuh na morérét. Pepela -kan di patamanan loba nu garingkapanasan.

“Kapikir teu ku ilaing lamunkaayaan terus-terusan kieu, bakalsangsara rahayat Kula. Iraha geurarék digarawéna rahayat téh arisapoe-sapoena ukur nyarire kemwaé di imah ngadon ngariuhan.”Abunawas gawéna ung gut-ung -gutan kénéh bari teu eureun nye-but sumuhun jeung enya.

“Lamun aya jelema nu bisamungkus panonpoé mah jiganamoal panas-panas teuing hawa dialam dunyatéh.Diwadahan su gansangkan teu mocorong wae.” saurkanjeng raja neuteup anteb kaAbunawas, “tah, kairong ku Kulahiji-hijina jelema anu sanggupmungkus panonpoétéh silaing,Abu!” Abunawas ngajenghoktuluy ngahuleng bari nyonyooramo leungeunna.

“Kumaha, sanggup?”saur ka -

njeng raja bari mencrong beu -ngeut Abunawas.

“Naon téa, Kangjeng Raja?”“Enya, mungkus panonpoé!”Meunang sakedapan mah

Abunawas ngahulengmikirantimbalan raja. Paréntah nu sakitubeuratna sabab pamohalan tea.Tapi najan beurat, narah pikeunmanéhna mah nyebut teu sangupatawa teu bisa. Sanggeus rada lilangahuleng Abunawasunggeuklalaunan.

“Abdi sanggem.” cék Abu na -was. Kanjeng raja ngarénghap-bangun anu longsong, paroman na marahmay.

“Alus, kuma karep ilaing étamah. Rék dibungkus rék diwada-han, rék dikurungan rék dikaru -ngan kuma ilaing waé. Nu pentingmah panonpoé ulah hayoh waémoncorong, Kula teu kuat nan-dangan panasna.”

“Mangga, urang wadahanwaé manawi panonpoétéh nga rahteu panas teuing. Tapi, abdi ho -yong disayogikeun jolang sarengkantong kulit nu teu tembus cai.”cék Abunawas.

Kangjeng raja malik nga -huleng, tapi teu loba tatanya. Poknyarita, “Heug ku Kula disayaga -keun. Naon deui pakakas séjén nudiperlukeun ku ilaing, bisi aya nuséjénna?”

“Ah, atos waé éta da mungjolang sareng kantong kulit kang -go ngawadahan panonpoé mah.”

“Gulang-gulang, sadiakeunjolang jeung kantong tina kulit!”saur kanjeng raja ngalieuk ka gu-lang-gulang. Rét deui ka Abu na -was, “éta kira-kirana iraha anjeunrék mungkus panonpoétéh?”

“Dinten enjing waé manawi,kinten tabuh duawelas, meu meu -jeuhna manceran supados gampilmungkus panonpoéna.” Kanjengraja unggut-unggutan. Sanggeuskitu mah Abunawas amitan.

Poé isukna, tengah poé men-trang-mentring, jelema-jelemapatinglaliud di pakarangan istana.Saréréa panasaran hayang apal

kumaha peta Abunawas mungkuspanonpoé. Jelema hémpakpengkereun kanjeng raja, ngajajardi teras istana, di tempat nu iuh.Kitu kahayang Abunawas, sang -kan nu lalajo ulah deukeut teuingka tempat manéhna mungkuspanonpoé.

Sanggeus panonpoé bener-bener manceran Abunawas leumpang ka pakarangan nu néglasarta katojo ku cahaya panonpoé.Jolang nu disadiakeun ku gulang-gulang disimpen di tengah-tengahpakarangan. Saterusnaéta jolangtéh ku Abunawas dieusian cai. Caicanémbrang hérang ne pika pa non poé nu keur meumeujeuhnamanceran téhngalang kang dina beungeut cai.

Sanggeus kitu, Abunawasnyalukan gulang-gulang nu keurnangtung gigireun kanjeng raja.Tuluy Abunawas nanya ka éta gu-lang-gulang bari nunjuk kana jerojolang.

“Katingali teu ku anjeun, etanaon?”

“Panonpoé.”“Heueuh, jung béjakeun ka

kanjeng raja naon nu katempo kuanjeung dina jero jolang!”

Deregdeg gulang-gulang téhnyampeurkeun deui ka raja barihariweusweus nyarita yén eusijolang téh panonpoé. Raja ke rung,tuluy anjeunna ngutus deui gu-lang-gulang séjén sina nyam-peurkeun ka Abunawas. Dereg deggulang-gulang nu kadua nyam-peurkeun ka Abunawas.

“Katingali teu ku anjeun, étanaon?” cek Abunawas nunjuk ka -na jero jolang.“Panonpoé.” témbalgulang-gulang ka dua.

“Alus, jung béjakeun ka kan-jeng raja naon nu bieu katempoku anjeun!” Deregdeg gulang-gu-lang nu kadua nyampeurkeun rajatuluy laporan yén nu bieuditingali na dina jero jolang téhpanonpoé. Raja gogodeg teu per-caya. Pana saran kanjeng rajangutus gulang-gulang nu katilu.Tétéla laporan gulang-gulang nu

katilu gé sarua yén anu katingalidina jolang téh panonpoé.

“Naon cenah Kanjeng Raja,nu katingali ku gulang-gulangtéh?” Abunawas ngagorowok tipakarangan.

“Panonpoé!” waler kanjengraja. Abunawas mésem bari ung -gut-unggutan.

“Tiluan Kanjeng Raja nunyebat keunana gé. Maenya teupercanten onaman mah.” cekAbuna was bari cur waé nyicikeuncai tina jolang kana kantong kulit.Ret ditalian, tuluy dijingjingdibawa ka payuneun kangjengraja.

“Mangga Kanjeng Raja, ayeu -na mah panonpoéku abdi paran-tos dilebetkeun kana kantongkulit.” cék Abunawas bari nundakantong kulit di payuneun kang-jeng raja.

“Abunawas, itu pan aya kénéhpanonpoétéh!” saur kangjeng rajabari nunjuk ka luhur. Abunawasngahuleng meunang sakedepan.Teu lila pok ngomong.

“Kieu éta téh Kanjeng Raja,saleresna di alam dunya ieu ayadua panonpoé. Nu hiji itu, muhunitu nu moncorong di luhur. Tah,dupi nu hiji deuina mah ieu nu tosdiwadahan ku abdi dina kantongkulit.” cek Abunawas bari nunjukkana kantong kulit.

“Lamun kitu carana mah atuhpanonpoétéhkudu duanana di-wadahan. Ari aya kénéh hiji deuimah angger waébakal karasapanas.”

“Eta ogékawitna mah badéduanana, tapi kaémut ku abdiupami panonpoé duanan dilebet -keun kana kantong kulit pisa -kumahaeun teuing bakal poéknaalam dunya. Tah, ayeuna upamialam dunya poék mongkléng,urang sadayana bakal langkungsangsara.” témbal Abunawas nya -rita tatag. Kanjeng raja unggut-unggutan.***

Ditarjamahkeun bebas

ku A. Budiman, judul asli:

Dongéng Abunawas

Panon Poédina Jolang

39Manglé 2482

Page 41: Mangle 2482

Manglé 248240

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2482

Sapuk sapamadegan, yen Pi -preside neun kahareup, nya presi -den anu jujur jeung amanah.

Bisa ngalaksanakeun gawe anu luyujeung harepan masarakat. Lian tingalaksanakeun parentahna nuamanah, pamingpin (presiden) kuduboga sipat jujur. Sabab, jujur teh mang -rupa modal utama keur kabarokahanbalarea. Saterusna, pamingpin anuamanah jeung jujur diperelukeunjalma anu saestuna ajeg panceg dnaadeg-adeg (tegas) kalawan basajan. Tiluhal eta mangrupa modal utama pikeunpamingpin anu bisa mayungan jeungningtrimkeun rahayat, tur bisangawujud keun karaharjaan sakumnarahayat. Pikeun pipresideneun jeungpiwakileunana (Pilpres 2014), nukatara tur nyumponan sipat jeungkarakter tadi, nya aya di Jokowi-JK(Capres nomer urut 2).

Eta hal ditetelakeun GinanjarKarta sasmita tokoh nasional asal JawaBarat nu oge Ketua Dewan PangapingPaguyuban Pasundan, dina acara‘Pembekalan Relawan Dulur Jokowi-JK’, anu digelar di Bungsuna Dewi,Jalan Terusan Kiaracondong, Bandung.Hadir dina acara Soma Gantka, KetuaRelawan Dulur Jokowi-Jk, sarta rebuanurang relawan ti kota Bandung, Kabu-paten Bandung, Kabupaten BandungBarat jeung Kabupaten Sumedang. Etaacara minangka runtuyan kagiatan anusamemehna geus dilaksanakeun diBogor, Karawang, Kuningan, Ciamis.Bandung Raya mnangka daerah pa-mungkas kagiatan di 5 titik (zone) saJawa Barat.

Ginanjar ngeceskeun, naon pangnangarojong capres nomer urut 2, tayalian luyu jeung kareteg manah.Paming pin (presiden) anu dipiharep kusakumna masarakat Indonesia,paming pin anu Amanah-Jujur- Basa-jan. “Sim kuring parantos istiharoh.Hate buleud ngarojong Pa JokoWidodo (Jokowi) sareng Pa Jusup Kala(JK). Ieu dua tokoh ngagaduhan sikep

anu jujur, basajan, handap asor sartategas dina nangtukeun sikep. Henteulanca-lnci, henteu gumaing jeung hen-teu jumago,” kitu pokna GinanjarKarta sasmita nepikeun pangrojongnasumanget naker.

Mun pamingpin geus bisa ngaragaphate rayat, sarta nyumponan harepan-harepan rahayat, pokna deui, rahayatIndonesia bakal ngarasa dibere kaadilnjeung karaharjaan. “Pokona, paming-pin kudu jadi pigur tur panutan anubisa mayungan tur ngaraharjakeunsakumna rahayat. Kudu katara ayanajeung karasa mangpaatna ku balareakalawan pinuh ku kabarokahan”,pokna.

Mun sora keur pilpres unggul diwewengkon Bandung Raya, JawaBarat, Ginanjar Kartasasmita optimis,di Indonesia bakal unggul. Ku kituna,ka relawan dulur Jokowi-JK, dinangalaksanakeun naon nu jadi pancen,masing someah sarta hade gawe. Pomasing jadi relawan anu beresih. Ulahnebarkeun fitnah anu matak kawalattur teu maslahat. “Ka dulur-dulursalembur ka kadang wargi nagri, sing

asak-asak ngejo bisi tutung tambagana.Nya sing asak-asak nenjo bisikaduhung engkena,” pokna.

Sajeroning kitu Soma Gantika,Ketua Tim Dulur Jokowi-JK nu ogeKetua Bidang Organisasi PaguyubanPasundan netelakeun, relawan dulurJokowi-Jk, diwangun ku i 5700 urang,sumebar di 27 Kabupaten Kota sa JawaBarat. Para relawan mangrupa agen disaban daerah di 5 zone pikeun meu-nang jeung nyukseskeun Capresnomer urut 2 dina pilpres 2014.

Soma ngeceskeun,dina eta sosiali -sasi, para relawan dibekelan kaweruh -na nu metu jeung kabisa nu nyata.Hal-hal patali jeung nyukseskeuncapres nomer urut 2, sakumna relawandulur Jokowi-Jk saestuna dibekalenkaweuh anu teu leupas tina etika jeungmoral. “Luyu jeung adat budaya timur,dina uar pangajakna ka barayasaampa ran rasa, saestuna ngutama -keun etika jeung moral,” ceuk SomaGantika tandes naker. Insya Alloh,Soma deui-deui ngeceskeun, jumlahsora Jokowi-Jk (capres nomer urut 2),optimis unggul di Jawa Barat.***

41Manglé 2482

Ginanjar Kartasamita :Jokowi-JK Pamingpin Basajan Jujur Amanah

AAweuhan Pasundan

Tokoh nasional asal Jawa Barat, Ginanjar Kartasasmita buleud ngarojong Jokowi-JK, capres nomer urut 2.

Page 43: Mangle 2482

Manglé 248242

Nepi ka kiwari can kabeh kabu-paten/kota di Jawa Baratngaharatis keun keur sakola

SMA. Salah sahiji kota anu can bisangaharatiskeun SMA nyaeta Kota Ban-dung. Tina 27 kabupaten/kota di JawaBarat, ngan saukur 19 kabupaten/kotaanu geus aya program haratis.

"Anu kagungan wewenang panbupati sareng wali kota upami diJawa Barat, nembe 19 kabupaten/kota parantos ngadeklarasikeunsakola gratis," ceuk Kepala DinasPendidikan (Disdik) Jabar, Wah -yudin Zarkasyi.

Wahyudin netelakeun kabupaten/kota anu geus diharatiskeun sakolaSMA di antarana Cirebon, Banjar,Sumedang, Kota Bekasi jeung nusejen na. Sakola haratis ieu dibalikeundeui ka kabupaten/kota kusabab tiapdaerah waragad pendidikanna beda-beda. Jadi kudu aya anggaran pen-dampingan ti kabupaten/kota.Wahyu din nyontokeun keur Kota Ban-jar mere anggaran pendampingan nugedena 2 juta. Aya oge daerah anumere anggaran pendampingan 1 juta.Jadi gumantung ka daerahna masing-masing. Unit cost siswa, di tiap daerah

teu bisa disaruakeun. "Upami bade di-standarkeun tiasa tapi ulah diskrimi-natif ka siswa miskin atanapi anu teumampu," pokna.

Nurutkeun Wahyudin ngabebas -keun siswa tina waragad sakola tehpenting. Tapi anu paling penting, saka -beh sakola anu embung narima danabantuan operasional sekolah (BOS) teumeunang nolak siswa miskin atawa nuteu mampu. Upama aya sakola anunahan raport jeung ijazah siswa teumampu, Disdik Jabar bakal nindakteges. Disdik Jabar bakal ngaeureun -keun bantuan jeung layanan ka sakola."Upami kabuktosan diskriminatif kasiswa miskin, palayanan UN, adminis-trasi, akreditasi bakal distop," poknatandes.

Nurutkeun Wakil Gubernur JawaBarat Deddy Mizwar, SMA di KotaBandung memang can bisa di-haratiskeun, kusabab anggaran pen-didikan di Kota Bandung teh gedepisan. Jadi tangtuna oge beda jeungkota sejenna. Anggaran anu dikamalir -keun ti pamarentah puseur jeungpamaren tah provinsi pikeun tiap seko-lah di Jawa Barat angkana meh sarua.Ngan husus di Kota Bandung kusabab

kaasup salah sahiji kota gede bebananggaranna oge tangtu leuwih gede.Kusabab dana pendidikan di Kota Ban-dung anggaranana cukup gede, jadikontribusi ti Pemkot Bandung kudusaimbang oge. Tapi ceuk Deddy,sabener na bisa waé teu kabeh SMA diKota Bandung diharatiskeun. Tapidimimitian ti sababaraha sakola anudianggap memang bisa keur di-haratiskeun. "Sababaraha SMA di Ban-dung kedahna mah tos aya nu tiasa diharatiskeun," ceuk Wagub.

Kepala Dinas Pendidikan KotaBandung, Elih Sudiapermana netela -keun anggaran pendidikan di KotaBandung memang leuwih gededibandingkeun daerah sejenna. Jadi,nepi ka kiwari SMA can bisa haratis.Nurut keun Elih pikeun nga-haratiskeun SMA di Kota Bandungmemang masih jauh. Komo deui, atu-ran can ngameunang keun ayanasumba ngan ti orang tua keur sakola.Tina hasil studi Dewan PendidikanKota Bandung, rata-rata dana anudibutuh keun keur SMA persiswa nepika Rp. 3 juta. Bantuan ti pamaren tahpuseur jeung Provinsi Jawa Baratgedena Rp. 1,15 juta.*** (AS)

Gubernur Jabar AhmadHeryawan miharep wargaPasun dan di Kalimantan Barat

bisa mekarkeun rupa-rupa seni budayadaerah Sunda. Di Kalimantan Barat,Ahmad Heryawan neundeun harepansangkan budaya Sunda jeung Kaliman-tan Barat bisa akur ngahiji. Tujuanananu pasti sangkan bisa nguatan kasatu -an bangsa. Minangka bagean tinatarekah ngawujudkeun hal ieu, guber-nur janji bakal nyumbang saparangkatgamelan jeung angklung ka wargaPasun dan anu darumuk di Kalimantan

Barat. Malah lain ngan ukur alatkasenian na tapi bakal dikirim ogepangajar na ti Jawa Barat supaya kase -nian Sunda bisa mekar di Kalbar.

"Kanggo matotoskeun seni budayaSunda supados tiasa langkung majudeui, sim kuring bade ngintunkeunsaparangkat angklung sareng arumbalengkep sareng nu ngajarna asli tiJawa Barat," pokna.

Harepan gubernur ieu tehditepikeun dina waktu kagiatan SimpaySeuweu Siwi Siliwangi (S-4). Heryawanngapresiasi acara ieu sarta miharep

terus dilaksanakeun pikeun ngabinasilaturahmi antara urang KalimantanBarat anu “getihna” Sunda.

Nurutkeun salah saurang pangu-rus Paguyuban, Yuyus Rusnadi Hapitbantuan ti Gubernur Jawa Barat ieuteh pohara ngabantu pisan dinaenggo ning mekarkeun wawasan bu-daya Jawa Barat keur masarakat Kali-mantan Barat ka turunan Sunda.

" Simpay Seuweu Siwi Siliwangi”miharep tiasa aya kolaborasi antaradua budaya nyaeta Kalimantan sarengJawa Barat sapertos anu tos dicarios -keun ku bapa gubernur, salah sahijinanyaeta ku ngayakeun kagiatan pagela -ran seni sareng budaya anu tujuanananyaeta mekarkeun seni budayaSunda," pokna.*** (AS)

Tarékah Pamaréntah NgaharatiskeunSMA di kabupatén jeung kota

GGedongSaté

Seni Sunda Gumebyar di Kalimantan Barat

Page 44: Mangle 2482

43Manglé 2482

Globalisasi jeung ParadigmaPangwangunan

Saabad katompernakeun, globali -sasi jadi fenomena nungadadasaranan saniskara

parobahan sacara “cepat” di satang -karak jagat. Ku tambah mekarna tek -nlogi informasi jeung transportasi, nungamudahkeun interaksi diantaramasarakat, geus nimbulkeun akulturasijeung difusi-difusi kabudayaan, struk-tur masarakat ge jadi tambah pabeulit.

Globalisasi mangrupa gerakanmenuju interaksi nu lega ambahanna,integrasi, jeung saling ketergantungandi antara kolompok masarakat jeungorganisasi antar nagara. Manifestasipang riilna tina globalisasi undaknainter aksi ekonomi antar nagara-nagaradina bentuk perdagangan jeung inves-tasi, sarta dina arus pergerakan modal,manusa, teknologi, jeung informasi nusifatna internasional. Lian ti kitu,leuwih ti 25 taun ka tukang, globalisasige geus mawa pangaruh kana paraba-han politik jeung kabudayaanmasarakat global.

Globalisasi mawa dampak nunguntung keun jeung mawa tangtangankeur tiap nagara. Globalisasi teu saukurmawa parobahan anyar kana tatananekonomi dunia, tapi oge mangaruhankana aspek kahirupan politik, sosial,teknologi, jeung rupekna pranatasosial, utamana nu aya di nagara-na-gara miskin. Nagara miskin kudu ti -suksuk tidungdung keur ngaronjatkeunkondisi perekonomianna sakaligusngalaksanakeun “pembangunan sosialyang berkelanjutan” jeung mampuhngaronjatkeun karaharjaan. Keurngaraeh kauntungan dina interaksiperekonomian global, nagara kudungarojong sistem ekonomi nu mihak kapausahaan-pausahaan bisnis sangkanmampuh berkompetisi dina pasarinter nasional nepi ka sakumna kala -ngan masarakat bisa ngarasakeun

kauntunganana.Tujuh puluh taun katukang globali -

sasi geus ngarobah tatananperekonomi an dunia. Parobahan nusifatna mendasar atawa strukturalsarta bakal lumangsung lana.Sababaraha dampak signifikan akibatgloblalisasi nyaeta hadirna pausahaan-pausahaan global raksasa, investasimodal luar negeri langsung (ForeignDirect Investment), kagiatan finansial,jeung sajabana. Interaksi perekonomi -an nu dibawa ku agen-agen inter -nasional ieu badis geus ngaleungitkeunwates nagara. Kukituna, globalisasiekonomi ditandaan ku mingkin ipisnabatas-batas investasi atawa pasarsacara nasional, regional atawa inter -nasional. Hal ieu diantaranadibalukarkeun ku:- Komunikasi jeung tranportasi nu

mingkin canggih,- Lalu lintas devisa nu tambah bebas,- Ekononomi negara nu beuki bruk-

brak /terbuka,- Penggunaan sacara ”keunggulan

komparatif” jeung ”keunggulankompetitif” tiap-tiap nagara,

- Metode produksi jeung perakitanku organisasi nu mingkin efisien.Mingkin ngajaulna kamekaran

pausahaan multinasional (MNC)ampir di sakuliah dunya.

Parobahan nu loyog kana sistemperekonomian nu leuwih ngaglobal tehjadi tangtangan keur sakabeh nagara,boh nagara maju atawa nagara berkem-bang. Unggal nagara kudu mampuhnyaluyukeun struktur kebijakanperekonomianana keur ngabageakeunsistem perdagangan nu terbuka. Tiapnagara ngusahakeun sangkan meunangkauntungan tina sistem perdagangannu mingkin bebas, demi ngaraharja -keun wargana. Salah sahijinyaluyukeun kebijakan nu lumrah di -pilampah ku hiji nagara ku jalanngaliberali sasi sistem perdaganganana.Konsekuensina diantarana; palaku

usaha di jero negeri kudu mampuh ber-saing dina persaingan global, palakuusaha asing ngabanjiran pasar di jeronegeri, privatisasi BUMN sangkan teteppanceg dina persaingan global jeungnasional, ngaronjatkeun sumber dayamanusa, jeung perumusan kebijakan-kebijakan nu sifatna protektif kanaaset-aset jeung produk-produk vital dijero negeri.

Sektor perekonomian mangrupaarus utama tina proses globalisasi.Unggal nagara saterusna satekah polahngaronjatkeun tingkat pertumbuhanekonomina sangkan tetep ajeg dina sis-tem perdagangan internasional.Akibat na, lumangsungna pangwangu-nan mokus kana pertumbuhanekonomi nu saluhur-luhurna. Tambahbrukbrakna akses ekonomi, sosial,jeung teknologi dina era globalisasigeus ngahasilkeun saniskara mangfaatsaperti:

Individu mingkin bebas nangtukeunnaon nu kudu dibeuli jeung dijual ponkitu dina nangtukeun harga. Maranehnage bebas sangkan meunang modal,neun deun modal, jeung meunang tam-bahan kaparigelan/keteram pilan.

sistem perdagangan internasionalbisa muka jalan pelaku usaha individuatawa pausahaan pikeun ngundakkeunkauntungan saloba-lobana.

Undakna pendapatan para pagawedi pausahaan nu kalibet kana transaksijual beuli di pasar global.

Individu beuki bebas ngaraehspesiali sasi kaahlian ku legana sepesi-fikasi pagawean akibat pasar bebas.

harga-harga produk beuki turunjeung sasadian saniskara produkleuwih terjamin.

Ngaronjatna akses kana modalalokasi sumber daya nu mingkin efisienjeung produktif.

Kabukana lolongkrang pausahaanpikeun ngaraeh akses dina persainganmeunangkeun sumber daya materijeung modal.*** (Hanca)

Pangwangunan Anu Mihak Ka Rayat MiskinKu Dede Mariana

Page 45: Mangle 2482

Mojang alit anu manis ieu teh putracikal Bapa Heri Iskandar S.Pd., sareng

Ibu Inna Damayanti S.Pd., ti JalanSaluyu B.VI No. 12 Rt.02 RW.09 Kom-

plek Riung Bandung Permai KotaBandug.

Pangaresep Inna kana nyayi sarengnari, waktos di sakola aya lomba nyayioge malih mah janten juara, lagu anu

dihaleuangkeunna “Ibu Kartini”.Cita-citana si geulis teh hoyong janten

Dokter. Salam wanoh ka sobat-sobat Mangle

Alit Sadaya.

Zalfa HauraPutri Iskandar

Page 46: Mangle 2482

Acara wisuda mémang ka-giatan luar biasa, sanéssaukur kanggo lulusan per-

guruan tinggi tapi ogé kanggobarudak anu nembé nyuprih élmuti taman kanak-kanak (TK). Sapertiilaharna acara wisuda, parawisuda wan- wisudawati daratangdianteur ku guru jeung kula -wargana.

Mol nu biasa tiiseun alatan ki-rang nu balanja, harita mah raméloba barudak leutik nu ditarog,alalumpatan paheula-heula naraékéskalator ngajugjug ka lantéy tilu.Rohangan lega nu sapopoéna ukurdipaké lalar-liwat jalma nu parkirmobil, harita disulap jadi tempatkariaan. Aya panggung lengkepjeung korsi nu keur lalajo, malahdina meja panitia loba piala jeunghadiah-hadiah keur bagikeunen kapara juara.

Lantéy tilu Miko Mall, Sabtu(14/6) dijadikeun tempat keurngawisuda 300 santriwan-santri-wati nu aya dina binaan BadanKoor dinasi (Badko) TKQ-TPAKabupatén Bandung. Barudak nukakara umur 5-6 taunan téh, ceukKetua Badko, Deden Heri, S.Ag, nudiwisuda téh barudak nu tamatbaca tulis jeung berhitung (calis-tung), hatam qur”an, jeung ikro.

“Para wisudawan téhsateuacan na, ngiringan muna -qosah nu dipimpin langsung kuketua timna, Lala Sarmilah S.Ag,”pokna, ka Manglé.

Deden ngémbohan, BadkoKabupatén Bandung kakara boga30 unit TKQ-TPA. Éta sakola cansumebar di sakabéh kacamatan,ngan nu leuwih loba unitna aya diKacamatan Dayeuhkolot jeungBalééndah. Tapi di Kertasari ogé

aya TKQ jeung TPA anu jadi binaanBadko, malah di éta wewengkonkaasup sakola anu aktif, sababsalian ti murid loba téh ogékagiatan ana leubeut pisan.

Ngadegna Badko, lain pikeunnéangan kauntungan tapi pikeunmantuan pamaréntah dinangungkulan pasualan buta hurup(nu teu bisa maca), boh latén ogehurup arab. Ku kituna, dinangadegkeun sakolana Badko teuloba aturan, asal aya guru anu siaptur rohangan anu bisa dijadikeunkeulas keur diajar murid.

“Di rohangan tamu ogé teu jan-ten masalah, asal muridna keresa.Mung sateuacan sakola dikawitan,guru-guruna dididik heula diBadko, minimal aranjeuna kedahhatam qur’an dugi ka 30 juz,”pokna. Bari ngémbohan, gurunateu wajib lulusan SGTK atawasakola guru séjénna. Lulusan SMPogé teu masalah, sabab

saméméhna bakal dididik kupangu rus Badko boh dina cara nga-jar boh ngadidik barudak, sangkansalulusna ti TKQ jeung TPA salianti pinter calistung jeung macaqur’an téh, oge kudu boga aklakanu hade. Sabab tujuan Badko mahnyiptakeun generasi anu mibandaahlakul kharimah.

Sacara resmi Badko mémangcan asup ka Depag, komo kaDisdikmah. Kakara aya dina “rangkulan”LPTQ, di Yogyakarta. Jadi nepi kakiwari Badko masih nyoko kanakatangtuan anu dikaluarkeun kuéta lembaga. Tapi kiwari BadkoKabupatén Bandung keur ngaju -keun sangkan diaku ku Disdikjeung Depag. Lamun geus bogapangakuan ti Disdik jeung Depag,léngkah Badko bakal leuwih pan-jang tur jadi leuwih PD (percayadiri) pikeun ngadidik barudak,sarta dina ngadegkeun sakola diwilayah séjénna. ***nunk.

Wisuda Santri Badko

TTi Sakola ka Sakola

45Manglé 2482

Page 47: Mangle 2482

46 Manglé 2482

Abdi sareng Rani ulin di buru -an, bari ngobrol.

“Rani, ari engké mun geus gedéhayang jadi naon?” Ceuk abdi

“Rani mah hayang jadi Polwan!”ceuk Rani, “Ari Fitri hayang jadinaon?”

“Abdi mah hayang jadi bupati.”Ceuk abdi.

“Naha bet hayang jadi bupati,Fit?” Rani nanya deui.

“Hoyong nulungan ka batur.Sok wé tingali dina televisi. Sokwatir jeung ketir ari ningali ben-cana alam jeung kamiskinan.Ningali budak nu teu sakola, dara-gang koran jeung jadi tukangsemir sapatu. Ogé jelema miskinanu caricing di kolong jembatan.Tah éta mah lolobana di kota gedé.Bet di urang gé, di Jatinangor,ayeu na mah imah gé geus pa -sesedek lantaran loba kontrakan.Solokan-solokan jadi heureut.Malah sawah bapa abdi gé arihujan rada gedé téh sok kakeueum,ogé sawah-sawah nu séjénna. Kitudeui jalan raya, jadi macét.” Ceukabdi, nerangkeun ka Rani.

“Rék naon deui Fit, lamun jadibupati téh?” Rani nanya deui.

”Rék ngawangun kota jeungdésa anu éndah, rapih jeung ter-atur. Patani-patani leutik rék di -sumbang, dibéré binih anu alus.Jalan-jalan rék digedéan ambéhteu macét. Rék ngayakeun kaseni -an daérah saperti jaipongan, kudarénggong, jeung sajabana. Ogé rékningkatkeun pendidikan. Réknyumbang buku ka sakola, ambéhbuku pelajaran teu mareuli. Pansakitu mahalna buku téh, komokeur nu teu mampuh.” Ceuk abdika Rani.

“Ari Fitri lamun engké jadi bu-pati, rék nyakolakeun anu teu

mampuh?”“Nya atuh! Malahan panti

asuhan gé rék disumbang.” Ceukabdi.

“Rék jujur?” Rani nanya deui.“Rék jujur, adil, jeung bijak-

sana, ambéh rahayat aman-sejah -tera. Kukituna abdi rék getoldiajar. Rék nurut ka indung-bapa,ogé ka guru, da jadi bupati téh teugampang. Ogé abdi hayangngabagjakeun indung-bapa jeungngabangun nagara anu dipikacintaku urang saréréa.” Abdinerangkeun deui ka Rani. “Tapitangtu teu bisa kitu waé jadi bupatitéh, teu gampang.”

“Naha nya harésé jadi bupatitéh?”

“Sabab ngurus jelema sakitulobana jeung susah diatur, bakallieur. Geuning urang gé kadang-

kadang hésé diatur, Bu guru gé soklieureun mun urang bararaong.Jadi urang téh kudu gotongroyong,jeung pamaréntah, ulah sosoranga -nan, ambeh aman jeung henteuparaséa baé.” Jawab abdi. “Tapiningali kaayaan ayeuna di urang,loba pisan kamajuanana. Ti saprakloba mahasiswa, ayeuna urang jadisagala aya. Contona wé aya réntalkomputer, photo copy, toko-tokogaledé.”

“Enya, ayeuna mah teu kudujauh-jauh. Ceuk ema abdi gé ba-heula mah kudu ka Cileunyi.” CeukRani.

“Éta nandakeun daérah uranggeus aya kamajuan. Hartina bupatigeus ngawangun daérah. Abdi mahrék ngadu’akeun supaya daérahurang aman jeung tengtrem.”

Amin. ***

Mun Abdi Jadi Bupati

CCarpon Alit

Page 48: Mangle 2482

Latihan Ulangan

1. Lamun urang dititah “maca dina jerohaté”, hartina.........a. ulah dibacab. dibaca, tapi teu maké sorac. dibaca, bari sorana tarikd. macana gegerenyeman

2. Lamun urang datang kudu ngucap-keun ……….a. sampurasunb. rampésc. manggad. pamit

3. Lemesna irung nyaéta…………a. damisb. taarc. pangambungd. angkéng

4. Cepil mangrupa lemesna tina………..a. leungeunb. sukuc. ceulid. irung

5. Lamun keyeng, tangtu……….a. barengb. parengc. sarengd. nyureng

6. “Internét” mangrupa kecap anu ka -

asup kana istilah………..a. kaséhatanb. kasenianc. téknologid. sajarah

7. “Demam berdarah” mangrupa kecapanu kaasup kana istilah………a. téknologib. kaséhatanc. sajarahd.tatanén

8. “Kuda rénggong” mangrupa kecapanu kaasup kana istilah……….a.olah ragab. kasenianc.kaséhatand.sajarah

9.Budak leutik bisa ngapung, babakunangapungna……..a.lilab.luhurc.tarikd.peuting

10.Nguriling kakalayangan, néangan………a.nu amis-amisb.nu ditéanganc.indung bapanad.babaturanana

11.Kecap “seuseuh” bisa robah sorana

jadi…………..a.ngeuseuhb.meuseuhc.nyeuseuhd.ngaseuseuh

12. Kecap “balik” bisa robah soranajadi……………a.nyalikb.palikc.ngabalikd.malik

13.Kecap “tutup” bisa robah soranajadi……………a.nutupb.mutupc.ngatutupd.nyutup

14.Kembang céngék disebutna………….a.aléwohb.méncéngésc.céngék alitd.suligar

15. Kembang waluh disebutna……........…a.jamotrotb.olohokc.gélényéd.aléwoh

***

UTY, kaca 43Kuéh buleud ti Itali

Raos pisan haneut-haneut.

Naon cing? ***

(Révanisa - Bandung)

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilapditémpélan kupon UTY No. 1258. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. LodayaNo. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.Jawaban UTY No. 1255

Nu leres : Kapal laut

Nu kénging hadiahna:1. ferdi Jl. Cibeunying kolot Rt.07 Rw.012 no.432. Sri Wahyuni SDN Muara Ciwidey Cilampeni Katapang – Kab. Bandung3. Rahman Fauzi Jl. K.H. Ahmad Dahlan No 22 Ciamis

Page 49: Mangle 2482

Urang Sunda Sumatera Barat

Ngajaga Diri, Ngahontal UdaganDumuk di lembur batur, tumamu mimitina mah. Haté gé teu weléh tibelat ka lembur.

Tah, nu kawas kitu, karandapan ku urang Sunda nu dumuk di Ranah Minang Sumatera Barat.***

Enya, ngimpi jeung lamunan mahteu weléh ngalanglang lembursora ngan. Teu sing kahalangan ku

anggang, dina lelembutan mah, asa keurngancik di padumukan sorangan. Nuremen kagambar gé sawahna, gunungna,jeung tempat-tempat pangulinan waktukeur di lembur. Kitu deui kedalna ucapdina waktu ngumbar lamunan, tetep kubasa Indung, basa Sunda. “Teu weléh sonoka lembur mah,” cék Dicky Subhan, S.H.,Pupuhu Paguyuban Warga Sunda (PWS)Sumatera Barat, basa ngobrol jeungMang lé di Padang, dijejeran pangurusséjénna.

Tepung jeung pangurus téh, waktuwartawan Manglé nyaba ka Padang dinararaga Pekan Informasi Nasional (PIN)2014. Tepung jeung pangurus paguyubanSunda di Sumatera Barat téh ti peuting, di-jajap ku kasono nu harita haladir disekretariat na, Jl. Dr. Wahidin II Kel. GantingUtara Padang Timur Kota Padang.

Loba cenah urang Sunda di SumateraBarat ogé. Jumlah nu kacatet, moal ku-

rang ti 40 rébu urang sumebar di ProvinsiSumatera Barat. “Urang Sunda nu aya diSumatera Barat téh seueur pisan. Lan-taran kitu, ngaraos peryogi aya dina hijibeungkeutan. Nya ngadeg wéh beungkeu-tan nu dugi ka ayeuna, namina PaguyubanMitra Sunda Sumatera Barat,” cék EkaSukarya, salasaurang pangaping PWSpangsiunan dinas pertanian nu haritangiring ngajejeran. Perjalanan ieubeungkeu tan nu diadegkeun taun 1969ogé, pernah robah-robah ngaran. Saperti -na waé, waktu diadegkeun mah, ngarannatéh IKDB (Ikatan Keluarga Djawa Barat),nu dipupuhuan ku bapa Ir. Sutisna Warta-pura. Tempatna ogé harita mah di Bukit-tinggi. Lantaran aya parobahan EYD, atuhdina taun 1972 dirobah deui jadi IKJB.Dina taun 1975 robah deui jadi PWJB(Paguyuban Warga Jawa Barat), nu haritadipupuhuan ku bapa Wisnu, nu haritanyangking manajer di Hotel Hang Tuah,kalawan sekretariatna pindah ka puseurprovinsi di Kota Padang. “Ti taun 1978,pangpangna nu ngalih damel ka Padang

beuki seueur beuki ngareugreugan. Atuhjajaran pangurusna ogé loba nu kaétangsuksés, sapertina waé sababaraha taun tiharita mah perenah ku Ir. Surya nu dinesdi PLN, Mayor Laut Amin, Letkol AD AsepSabarhadiman, TB. Madsari Saiban, Dr.Ade Djulardi dosen Universitas Andalas.“Nembé taun 2000 namina robih jantenPWS dugi ka ayeuna, luyu sareng pemeka -ran Jawa Barat ku misahna wilayah Ban-ten,” cék Eka Sukarya nineung ka mangsasaméméhna.

Sedengkeun dina waktu dumuk dipangumbaraan, cék Dikcy Subhan nungéngingkeun istri urang Padang, mé-mang remen ngararasakeun butuhnadulur nu salembur. Nu karasa, najan geusjadi warga Sumatera Barat jeung lobakawawuhan ti sélér séjén, tetep ngarasabutuh ku nu sabaraya sabudaya. Karepkitu jadi kasundut, PWS geusan leuwihonjoy. Ébréhna, dina rupa-rupa kagia -tan, saperti olah raga, kasenian,kaagama an, sosial, jeung sajabana, teuweléh dijalankeun ku ieu paguyuban

Manglé 248248

IImplik - Implik

Dicky Subhan, pupuhu PWS Sumatera Barat (kénca) sareng Eka Sukarya, déwan pangaping

Pangurus PWS, teu weléh maheutkeun duduluran

Page 50: Mangle 2482

warga Sunda di Sumatera Barat. Lan-taran dasarna nyaah, boh nu asalnasalembur ti Sunda, boh nyaah kalingkungan lembur Padang, atuh PWSogé pada ngahaminan, kaasup ti pihakpamaréntah Sumatera Barat. Sapertinawaé, sering diondang manggung dinaacara kapamaréntahan. “Kantenan,PWS teu weléh diondang, malihan sokmanggungkeun kasenian Sunda. AtuhPa Gupernur Sumatera Barat ogé sayagidileler ‘Abah Rakeyan’, minangkaanggota kahormatan Paguyuban WargaSunda.

Mageuhan DuduluranUrang Sunda nu dumuk di Sumatera

Barat, arapaleun kénéh kana kekecapansilihasah, silihasih, silihasuh. Atuh,saterusna éta padika hirup kumbuh téhteu sing ukur dina lalambé, tapi dilarap-keun dina kahirupan sapopoé. “Anggerpasipatan wargi Sunda di Sumatera Baratteu ical. Soméah hadé ka sémah, silihasahsilihasih silihasuh tetep dilarapkeun dinasadidintenna,” cék Kang Aji Rukmana,salahsaurang pangurus PaguyubanPasun dan Sumatera Barat, nu kiwari ogéjadi penyiar milu nyebarkeun Sunda diRRI di Kota Padang.

Ku cara maheutkeun dudulurankawas kitu, keur hirup di lembur Suma -tera Barat mah mémang kacida karasana.Sapertina waé, waktu salasaurang aya nugering parna, heug aya nu nulungan,tangtu kacida matak bungahna. Ku lan-taran kitu, nu karasa ku masing-masingpribadi warga Sunda di Sumatera Barat,saterusna dilarapkeun geusan silih -tulungan. “Upama aya nu teu damang

atanapi nu pupus, heug kanyahoan kupaguyuban, tangtos wé sakaduga mahteras dibantos,” cék Dicky Subhan deui.Cara silihtulungan ka dituna mah geusanmaheutkeun duduluran. Sok sanajan, cekieu puhuhu, teu bisa dileuleungit, éta ogéaya kénéh sabagéan anggota nu masihsibuk ngurus diri soranganana.

Ngahontal UdaganGalibna nu miang, mawa harepan.

Geusan ngahontal angen-angen, rélaninggalkeun banjar karang pamidangan,najan kudu lunta jauh. Di tempat anyar

atawa di pangumbaraan aya harepan nyo -rang kabagjaan. Kituna téh sangkan bisahirup jeung huripna.

Ka mana waé ngaléngkah jeung dimana waé dumuk, ka sékésélér soranganmah teu weléh reueus. Kareueus kitu,saperti nu karasa ku Kang Ady Gunawan,nu kiwari sok ngajar di sababaraha lembagaatikan di Sumatera Barat. Cenah,beungkeu tan urang Sunda jadi pamatri atigeusan leuwih nguatan jati diri. Atuda, geu -ning geus di lembur batur mah sagala dayajeung pangabisa téh kacida pentingna.

Karancagéan masing-masing pribadi,lain wungkul gedé mangpaatna keur pri -badi tapi deuih keur pihak séjén. Nya kitupisan nu kaalaman ku urang Sunda diSuma tera Barat gé, da nu kasab téh rupa-rupa naker. Loba nu arusaha dina widangmasing-masing, saperti aya nu jadi kulibangunan, dagang sapatu, papakéan,katua ngan batagor, ogé aya nu kana tani.“Mung seuseurna mah kana bangunan,utamina sabada kajadian lini di Padang,”cék Ady Gunawan, wakil ketua Paguyuban

Mitra Sunda Sumatera Barat tandes.

Nu Nyaah nu Butuh KanyaahSanajan jauh ti lembur, tapi ari rasa

nyaah mah angger deukeut. Ku kituna, ieupaguyuban urang Sunda di SumateraBarat ogé, tetep bakal ningkatkeunbeungkeu tan kawargian ku rupa-rupaprogram jeung harepan, sapertosna waéngamumulé budaya Sunda, bakti sosial,saperti nu pernah dilakukeun ku sarebuurang Sunda meresihan basisir Padang,jeung sajabana. Ngaraketkeun duduluranjeung mikanyaah baraya sarasa, ieu

paguyuban urang Sunda di SumateraBarat boga karep hayang aya sekretariatnu jinek atawa padepokan Sunda diSuma tera Barat.

Tujuanana? jinek, sangkan urangSunda teu leungiteun jati dirina tur bisaleuwih motékar dina rupa-rupa kagiatankasundaan di Sumatera Barat. Cékpupuhuna Dicky Subhan, ieu paguyubansacara organisasi mah, mémang masihkagolongkeun gering nangtungngalanglayung kénéh. Lantaran, sanajankagiatanana jinek tur umurna geusheubeul, tapi nepi ka ayeuna tacan bogasekretariat nu jinek. “Sekretariat masihngontrak. Atuh sarana kasenian Sundaogé teu aya. Ku kituna, sakumaha pro-posal nu kantos dikintunkeun ka PemprovJabar, kacida miharepna, mudah-muda-han pamaréntah Jawa Barat tiasamerhatos keun tur nyaah ka urang Sundadi Sumatera Barat, utamina sekretariatatanapi padepokan Seni Sunda di Suma -tera Barat, énggal ngawujud,” cek DickySubhan mungkas obrolan. ***

49Manglé 2482

Waktu kasumpingan pangurus paguyuban Pasundan ka PWS Sumatera Barat

Tim maenbal PWS. Teu weléh tibelat ka lembur Jawa Barat

Page 51: Mangle 2482

Manglé 248250

Pemkab Tasikmalaya ngarasareureus sarta ngajénan pisankana kagiatan nu dilaksana -

keun ku YKI Cab.Tasikmalaya, sababnepi ka kiwari teu weléh ngarojongsarta ilubiung ngungkulan masalahkanker. Lantaran ngungkulanmasalah kanker mah teu bisasosoranga nan, pihak Pemkab mi-harep YKI meunang pangrojong tirupa-rupa pihak, sangkan dinangalaksanakeun aktipitasna lumang-sung lancar, sarta satékahpolah ih-tiar ngurangan jumlah nu maraotbalukar kanker. Éta hal ditétélakeunku Bupati Tasikmalaya dina biantaratinulisna nu dibacakeun ku KadisKesehatan Kab.Tasikmalaya dr. H.Oki Zulkifli, sawatara waktu nu kali-wat di Aula Putih pendopo heubeulTasikmalaya, dina acara monitoringjeung évaluasi kagiatan YKICab.Tasikmalaya dina raraga GN-PCKS [Gerakan Nasional Peduli danCegah Kanker Serviks].

Kagiatan GNPCKS di Tasikmalayadipiluan ku 350 urang wargamasarakat ti Kota jeung Kab.Tasik-malaya. Réngsé acara, YKI Cab.Tasik-malaya mariksakeun 70 urang wargadi Sékrétariat YKI Cab.Tasikmalaya,disakséni ku sawatara pangurus YKIPusat.

Ceuk katerangan dr.Oki,kasakit kanker pakaitna henteusaukur jeung pasualan kaséhatanwungkul, tapi ogé ngadatangkeunmasalah sosial jeung ékonomimasarakat, balukar mahalna wara-gad keur uubar sarta ngarawatpasén kanker. Alatan kitu,ngungkulan pasualan kanker téh

perelu gawebaréng, ngaliwatanrévolusi budaya hirup sangknaleuwih sehat.

Husus “kanker leher rahim”,mun seug didetéksi jeung di -diagnosis ti anggalna ku cara “IVA”jeung “PAPSMEAR” – bisadilaksana keun di YKI Cab.Tasik-malaya—kanker rahim bisa cageursagemblengna. Bupati miharep,urang kabéh, boh individu boh kula -warga, masarakat, pamaréntah,LSM, organisasi profési, organisasikaagamaan, bisa milu aub ngarojongjeung milu nanggung- jawabngadali keun kanker saluyu jeung ka-mampuh tur kaahlianana.

Ketua YKI Cab.Tasikmalaya mah,Hj.Tien Sadeli, cumeluk ka masarakatKabupatén jeung Kota Tasikmalaya,

malar teu ngaraos isin mariksakeunkaséhatan bagéan reproduksina,sangkan kadektési ti anggalna, sartarélatip leuwih gampil ngungkulanana.Pangobatannana ogé haratis.

Naon nu enggeus, eukeur jeungerek dilaksanakeun ku YKI Tasik-malaya mngrupa wujud nyata ka-padulian para panaratas jeungpangurusna dina ilubiung ngadali -keun kasakit kanker. Dinalalampahan ana salila ieu, YKICab.Tasikmalaya nyanghareupankénéh rupaning halangan- haru -ngan, saperti kawatesna jumlahsumber daya manusa, sarana jeungprasarana, kurangna pakakas deték -si dini jeung kurang répréséntatifnatempat palayanan jeung pamarik-saan.***Uun Juharianti

KKatumbiri

Potret panineungan pangurus YKI Cab.Tasikmalaya – YKI Pusat.

YKI Cab. Tasikmalaya Milu Ngungkulan Masalah Kanker

Page 52: Mangle 2482

51Manglé 2482

Poténsi ékonomi kréatif di Kabu-patén Bandung bisa disebutngaleuya, ngawengku sumber

daya alam (SDA) jeung sumber dayamanusa (SDM). Alatan kitu, Pamarén-tah Kabupatén (Pemkab) Bandungterus metakeun tarékah pikeunngamekarkeun ékonomi kréatif geu-san ngaronjatkeun kahirupanmasarakat.

Salah sahiji tarékah nu dilaksana -keun ku Pemkab Bandung nyaéta kungeprik sakurang-kurangna tilu SKPD(Satuan Kerja Perangkat Daerah)pikeun ngajalankeun ihtiar sangkanékonomi kréatif di wilayahna bisaleuwih mekar tur leuwih punjul tidaérah séjén. Éta tilu SKPD téhngawengku Dinas Koperasi, Perindus-trian dan Perdagangan (Disko -perindag); Dinas Pemuda, Olahraga &Pariwisata (Dispopar); sarta DinasPertanian, Perkebunan & Kehutanan(Distanbuthut) nu tugasna jadi fasili-tator jeung régulator dina kamekaranusaha.

Bupati Bandung, Dadang M Naser,nu harita diwakilan ku AsistenEkonomi & Kesejateraan Sosial, Drs.H Juhana, M.MPd nandeskeun, majumundurna usaha ékonomi kréatif lainjadi tanggung jawab pamaréntahwungkul, tapi ogé masarakat, hususnapara pangusaha ékonomi kréatif kudungajalankeun ihtiar sangkan usahanaleuwih mekar.

“Sim kuring mung ngémutan,usaha ékonomi kratif tiasa langkungmekar upami aya peran aktif timasarakat. Janten sanés tangel walerpamaréntah wungkul, tapi ogé kawaji -ban sadaya pihak, utamina parapalaku ékonomi kratif, pikeunngamaju keun éta usaha,’ pokna diBale Sawala-Soréang, dina acaraSosialisasi Kamekaran ÉkonomiKréatif nu diluan ku para pangusaha

UMKM (Usaha Mikro Kecil danMenengah), akademisi, pangurusDekopinda Kabupatén Bandung,jeung para Kasie PemberdayaanMasyarakat ti 31 kacamatan, sawatarawaktu nu kaliwat.

Pikeun diajar tatacara produksi,kalembagaan, manajerial, jeungkema san (mungkus barang hasil pro-duksi-réd) bakal dituyun ku kuDiskoperindag. Salian ti kitu, étadinas téh ogé ditugaskeun pikeunngajala nan kagiatan promosi jeungprogran ngamekarkeun usahababarengan jeung Distanbunhut.

“Dina sagala kagiatan paméran,badé lokal badé internasional, urangkedah ngiringan kanggo mromosi -keun produk ékonomi kréatif hasilmasyarakat Kabupaten Bandung. Étahal tiasa dilaksanakeun kalawan gawébareng sareng Dekranasda,” poknadeui.

Sadengkeun Kabag Koordinasi

Perekonomian mash, Drs. U. SuskaPuji Utama M.Si., nétélakeun, poténsiékonomi kréatif di Kabupatén Ban-dung éstu ngaleuya. Sumber dayaalam jeung sumber daya manusia-naogé geus nyampak. Malah keurmasarkeunana ogé teu pati hésé, lan-taran sacara géografis KabupaténBandung deukeut jeung puseur kotaProvinsi Jawa Barat. Contona industrikarajinan lukisan di Jelekong, Kaca-matan Balééndah, kiwari geus di -pigandrung ku para turis timancanagara. Ogé industri karajinanwayang golék, geus mibanda pangsapasar nu mandiri.

U. Suska nandeskeun, kiwri di-rina keur ngalaksanakeun monitor-ing jeung évaluasi kana kagiatanékonomi kreatif nu aya di 31 kaca-matan. Éta léngkah dilaksanakeunsangkan dina méré bingbingan kapara palaku usaha téh jadi leuwihbabari. ***nunk

Asisten Ekonomi & Kesejahteraan Sosial, H.Juhana, M.MPd

Kamekaran Ékonomi Kréatif di Kab. BandungTanggung Jawab Saréréa

Page 53: Mangle 2482

Kangaranan réuni atawapatepung lawung, panggihdeui dina mangsa kiwari

jeung babaturan baheula dinamangsa nu geus lawas, matakngahudang baluas jeung waraas.Komo jeung babaturan saentragansakola atawa di organisasi, caritanabakal warna-warni. Bruh-bréh asacikénéh, aya carita éndah asmara,bogoh, katrésna antara urang jeungmanéhna, aya nu pasini jangji nepika ngajadi, aya ogé nu sulaya jangji“Meuncit meri dina rakit bobokowadah bakatul”. Carita lara ge ku-rang kumaha, babaturan hiji-hijigeus narungtutan dipundut ku NuKagungan, teu katingali dina riu -ngan. Keun da kitu lumrahna caritadina kahirupan. Mending urangtoong kumaha sukan-sukannaalumni Damas (Daya MahaiswaSunda) Entragan 74 nu ngayakeunkagiatan Patepung Lawung DamasEntragan ’74- Dina Raraga Milang -kala ka 40 Taun (Deungkleung

Déngdék) nu lumangsung di WismaUnpad Jalan Cimandiri Bandung(31/5).

Damas téh salah sahiji organi -sasi kasundaan nu anggotanangawengku para mahasiswa tirupa-rupa paguron luhur nu aya diBandung, luar Bandung, malah ayadi saluareun Bandung. Tah dinataun 80-an sok resep lalajopanarima an/mimitran anggotaanyar téh dina jaman Kang IbingKusmayatna (Sastra Rusia Unpad).Ari tempatna harita di GORSaparua.Weuh nu hadir dina“Kawi nan Senapati” kuat kaarayeuh-ayeuhan jeung éak-éakan,nyareurieun kulit beuteung batiseuseurian nyaksian polah KangIbing keur ngolég (Mosma) calonanggota. Tah, dina PatepungLawung gé keur mulangkeunpanineu ngan, ku Ganjar Kurniaanu ogé anggota Damas entragan74 dikondisikeun mémper-mémpermimitran. Tapi henteu ari aya

anggota anyar dititah nonggéngjeung ditepakan badis kendangmah. Kawantu tos sarepuh sarengKang Ibing, Kang Aom (Aom Kus-man Kartanagara-Fakultas HukumUnpad) parantos almarhum. Haritamah ngan ukur ngaradeg pupute -ran bari ngarawih lalaguan dinamangsa mimitran kayaning “SekarManis”, “Pasundan Eksiganda”,“Karatagan Damas”, “Durma”,“Dengkleung Dengdek”, “CeurikCalon”, “Dareuda”, “Rayak-Rayak”,“Warung Pojok”, “Bentang Sulin-tang”, “Balebat”, “Tanah Sunda”,Lingkung Lembur”, “Panen”, “Ben-tang-Bentang”, jeung “Sapu NyerePegat Simpay”. Tapi gaya Damas namah angger kabawa nepi ka sare-puh gé, soméah, hégar, jeungguyub.

Cék Kang Anton K. Karsin,Kagia tan Patepung Lawung Damasentragan 74 salian ti pikeunngaraketkeun tatali silaturahmisarta mulangkeun panineungantéh, dipiharep janten conto keuradi-adi entragan anyar, pikeun réasilaturahim (berorganisasi)sangkan panjang umur jeung réadulur. Kang anton kacatet mi-nangka pangsiunan hakim, alumniPerikanan Brawijaya Malang entra-gan 69 nu resep ngumbara tugas didaérah konflik (Acéh, Timor-Timur, jeung). Entragan 74, KangAnton ngémbohan, jumlahanggotana panglobana, aya 400urang, kaasup Réktor UnpadProf.Dr. Ir.Ganjar Kurnia, Dea,jeung Iin Parlina (Bimbo). Haritarawuh ogé Rahmat DST jeung Ir.Roza Mintaredja (Kang Oca),junior na (Damas entragan 72).***Asép GP.

Manglé 248252

KKatumbiri

Patepung Lawung Damas Entragan ‘74

Page 54: Mangle 2482

53Manglé 2482

Salila ieu gambaran WC sakolatéh bau, kotor, jorok, sarta taradiberesihan. Padahal lingku -

ngan sakola anu beresih téh mang -rupa bagian tina pendidikan. Alatankitu, saban sakola kudu bisanumuwuh keun kasadaran pikeunngabiasakeun hirup beresih, ngawa -ngun lingkungan nu beresih, kaasupWC-na. Sawatara waktu nu kaliwat,Bupati Bandung Dadang M. Naser,kungsi ngungkabkeun program ban-tuan ka sakola SD jeung SMP pikeunnyieun WC anu beresih. Bupati ogébakal ngaganti para kapala sakolalamun di sakolana euweuh WC.

Kapala SMP Karya Pembangunan(KP) Nagrég, Rohendi S.Pd, éstu dariangalaksanakeun program ti Bupatijeung kepala Dinas Pendidikan kabu-patén Bandung. Bantuan ti pamarén-tah téh bener-bener dimangpaatkeunpikeun ngawangun sakola, kaasupngawangun WC anu nedunan saratkaberesihan jeung kaséhatan. KiwariSMP KP Nagrég keur ngawangun 10

kamar WC nu ngawengku 4 kamarpikeun awéwé, 4 kamar pikeun lalaki,sarta 2 kamar deui mah keur paraguru.

“Mugi-mugi waé SMP KP janten

conto di lingkungan gugus 6 anuseueurna aya 20 sakola. Atuh upamiaya lomba, boh tingkat kabupaténboh propinsi, mugia SMP KP kapilihjanten pinunjul,” pokna.***dénjaya

Béak taun ayeuna, rencananaPersib Bandung bakal maéndi kandang sorangan, sabab

stadion nu di wangun ku Kota Ban-dung geus réngsé. Alatan geus boga“kandang”, Maung Bandung teukudu milu maén bal di Si Jalak Haru-pat, Soréang.

Lamun éta hal bener-benerkajadi an, Pemkab Bandung bakalnandangan rugi anu gedé, lantaransalian ti moal boga panghasilan tinaséwa lapang nu ngahontal leuwih 55juta rupia sakali maén téh, ogé bakalleungiteun pajak hiburan nu gedé-nanéh ngahontal samiliar rupia dina

sataun.“Mudah-mudahan mah taun 2015

Persib masih kénéh maén di JalakHarupat, supados urang moal kaicalanpanghasilan, utamina tina pajak hibu-ran,” ceuk Kabis Pendapa tan I, DinasPendapatan, Pengelola an Keuangan(DPPK) Kabupatén Bandung, SastraLaksana, nu harita dibarengan ku Kasiependapatan I, Ganda.

Salila ieu, punjulna panghailantina pajak hiburan di Si Jalak Haru-pat téh lamun Persib maén. Kleub-kleub lain mah teu pati mangaruhankana panghasilan. Jadi lamun Persibréa maén di Soréang, tangtu pajak nu

katarimana ogé bisa leuwih gedé.Dina taun 2013, pajak hiburan ti SiJalak Harupat ngahontal leuwih ti900 juta rupia. Taun ayeuna ogétargétna teu pati jauh. Nu jelas,pokna, lamun 2015 Persib teu makédeui Si Jalak Harupat, éta setadionkakareueus warga Kabupatén Ban-dung téh bakal tiiseun, malah siganabakal gedé dana keur miara tinim-bang panghasilannana.

Sastra ogé, ngémbohan, pajakhibu ran Pemkab Bandung ukurngandel keun ti Si Jalak Harupat.Kitu na ogé lamun Persib maén. Sababsaluyu jeung UU 28/2009 ngeunaanpajak hiburan, obyék wisata geus teumeunang dipulut deui pajakna, ka -asup pajak hiburanana. Ku ayana étaaturan, Pemkab Bandung geusleungi teun panghasilan Rp 2 miliar/taun.***nunk/dédé

Kapala sakola SMP KP Nagrég, nalingakeun pangwangunan di sakolana

SMP Karya Pembangunan NagrégNgutamakeun Kaberesihan

Taun 2015 Kab. Bandung Bakal Leungiteun Pajak Hiburan

Page 55: Mangle 2482

Manglé 248254

Maca tulisan Dekade Yang Hilang,beunang Ahmad Erani Yustika(Kompas, Salasa, 17 Juni 2014)

memang matak helok. Ku naon bisa kitu?Coba geura urang cutat sabagian, “…ter-jadi selisih jalan antara prestasi ekonomiyang dipidatokan pemerintah dan tingkatkepuasan ekonomi masyarakat. Datamakro ekonomi mengesanka,bahkandipuja oleh dunia internasional, tetapimasyarakat dihadapkan pada situasi sulit-nya mencari pekerjaan (yang layak), in-flasi (pangan) yang tinggi, danketidakadilan ekonomi. Karena itu,sebetul nya di dalam negeri terdapat duali -tas “realitas” yang bekerja dengan tangga-pan berlainan. Pemerintah merasa sudahmelakukan segalanya untuk memperbaikikinerja ekonomi dengan hasil yang diang-gap bagus (melalui data yang disampai -kan), tetapi rakyat merasa pemerintahtidak bekerja untuk mereka(tetapi bagipara pemodal kakap dan kepentinganpelaku ekonomi luar negeri) Inilah yangmenjadi sumbu penilaian buruknya kiner -ja ekonomi pemerintah. Keduanya mestidicarikan tali penghubung agar tak hidupdalam dunia realitas yang berbeda.

“Kebijakan pemerintah yang dipan-dang melanggengkan struktur ekonomiyang tidak adil itu, antara lain pemihakansektor pertanian dan industri yang ku-rang, liberalisasi ekonomi yang tidakterukur, alokasi belanja negara yang salah

arah, dan sumber daya ekonomi yangtidak dimanfaatkan untuk kepentingandomestik. Sektor pertanian tak hanyainfra strukturnya yang hancur (misalnyairigasi), tetapi juga distribusinya tidak di-urus, apalagi penguatan nilai tambah yangtersambung dengan sektor industri.Liberali sasi ekonomi berjalan di jalurcepat sehingga menenggelamkan pelakuekonomi skala kecil yang tak punya aksespasar bagus. Demikian pula dengananggaran negara yang habis untukbirokrasi sehingga porsi bagi afirmasipelaku ekonomi lemah tidak tersedia.Sumber daya ekonomi domestik, khusus-nya sumber daya alam (SDA), justru di -pasok untuk kepentingan negaralain(batubara, gas, bauksit, kelapa sawitdan lain-lain) sehingga pelaku ekonomilokal tersudut. Inilah yang membuatIndo nesia menjalani masa “dekade yanghilang” seperti tergambar data di atas”

Perlu DipaluruhTulisan Ahmad Erani Yustika pohara

pentingna dipaluruh. Kunaon mangsa“dekade yang hilang” nepi ka bisa kajadi -an? Naha hal kitu teh saukur lumangsungdina mangsa pamarentahan SBY, atawaaya oge patalina jeung mangsa pamaren -tahan Megawati? Saha sabenerna nungalalakon lebah netepkeun kabijakanekonomi boh di pamarentahan SBY bohdi pamarentahan Megawati? Mun kitu,nu perlu ditanya kunaon pangna “masadekade yang hilang” bisa karandapan, lainwae saukur Presiden SBY, Wakil Presi-den Boediono, jeung Menko Perekonomi -an Hatta Rajasa, tapi kaasup ogePresiden manten Megawati, jeung MenkoPerekonomian harita. Kitu deui ulahpoho, JK oge nu kungsi ngajabat WakilPresiden marengan Presiden SBY dinaperiode pamarentahan kahiji, sarua perluditanya kumaha ketakna harita. Jadi,ulah saukur Hatta Radjasa wae, upama -na, nu didongdolek pedah Hatta ayeunanyalonkeun diri minangka cawapresmarengan capres Prabowo.

Satuluyna, masalah “mangsa dekadeyang hilang” bakal raket patalina ogejeung kabijakan otonomi daerah. Uranginget, Ketua DPR Marzuki Ali kungsi

netelakeun, kumaha sawenang-wenang -na para bupati di daerah ngaluarkeunijin pertambangan keur para juraganpangusaha. Tah, lebah dieu, tembongpamaren tah pusat teu walakaya pisan.Naha ieu teh akibat kabijakan otonomidaerah, nu ngalantarankeun presiden,kaasup mendagri, teu bisa ngajewer parabupati di daerah nu ngalakukeun kasala-han kabijakan? Atawa ieu teh balukarpribadi SBY wae nu hengker nu teu wani“nampiling” para juragan bupati didaerah nu teu eucreug?

Hanjakal tulisan Ahmad EraniYustika teu nyabit-nyabit pisan kasuli-tan-kasulitan “obyektip” naon wae nukarandapan ku pamarentahan SBY nepika mangsa “dekade yang hilang” bisakajadian.

DialohSanajan sakeudeung deui maren,

alusna mah pamarentah ayeunangawalon kana kiritikan nu ditepikeun kuAhmad Erani Yustika. Atuh pers oge bisanalengteng hal bieu ka SBY, Boedionojeung Hatta Rajasa. Malah ulah kapalang,tanyakeun oge masalahna ka Yusuf Kallajeung Megawati sarta menkoperekonomi an harita. Ku cara kieu, persmahing kababawa partisan patali jeungmangsa kampanye Pilpres ayeuna.

Ulah poho, SBY mangsa kampanyePilpres 2004 jeung 2009, kitu deuisawatara lila sabada nyekel kakawasaan,apan pada muji ku sarerea,iwal meureunku kaom oposisi. Tapi, tetela ahirna padamepehek. Buktina dina pileg kamari,partey Demokrat sakitu nyirorotna. Ku-naon nepi ka kitu?

Jigana, ieu teh balukar kritikan kapamarentah SBY dina widang ekonomi,kamari ieu kurang diwaro. Noyod wae.Memang, kajadian kitu teh, estuning prahkajadian sabada pamingpin nyekelkakawasaan.

Nu matak oge, kritikan nu mangrupabagian tina dialoh, perlu dibudayakeunsalawasna. Saha wae engke nu bakalmanggung, boh Joko Wi boh Prabowo,mending ti ayeuna keneh pada ngiritik,ulah saukur dipuji bebeakan! *** KarnoKartadibrata.

BBalé Bandung

Mana nu Bener?

Page 56: Mangle 2482

KA GIGIR:1. Binékas, pinter4. Liang gedé jero gunung5. Racun7. Wakil rayat8. Ukuran lega9. Laci11. Nagara di Afrika14. Parabot paninggaran16. Pituduh gaib20. Nagara di Asia23. Sato jangjangan25. Nomer Induk Pagawé26. Konférénsi Tingkat Tinggi27. Anjeun (Arab)28. Oyag, usik29. Usul

KA HANDAP:1. Séhat, teu tanpa daksa2. Kalakuan henteu hadé3. Kurang cahaya4. Bagian tina beungeut6. Talaga9. Paragi meuntas10. 500 lambar12. Jaman13. Nanjak pisan15. Persatuan Bangsa-Bangsa17. Lampu hias

18. Pekan Olahraga Nasional19. Henteu éraan21. Piagem, diploma22. Olahraga Keséhatan24. Entong

Waleran diserat dina kartu pos, tém-pélan Kupon Tarucing Cakra No. 1447.Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1445:

1. Rita AndrianiJl. Jembatan Baru RT 03 RW 02Lengkong Besar - Bandung

2. Drs. Bambang RiyantoJl. AH. Nasution 278/42Bandung

3. Egi SujadiKmp. Jadaria RT 02/RW07Kecamatan CileunyiKab. Bandung

55Manglé 2482

TTarucing Cakra

K U P O N

TARUCING CAKRA

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

1447NO

Page 57: Mangle 2482

Manglé 248256

“Beuki peuting beuki ramé, Lo.”“Raraméan naon, Mang?”“Raraméan nu lalajo bal. Piala

dunya, Lo.”“Oh.”“Di mana-mana réa nu bagadang,

Lo. Geus puguh diimah mah, di posronda, malah réa nu ngahaja lalajobareng.”

“Enya, Mang. Opat taun sakalituda.”

“Tapi orokaya….”“Orokaya naon, Mang?”“Sihoréng nyenangkeun diri sa -

peupeuting hareupeun tv téh ayarésikona.”

“Baruk?”“Cenah réa anu kabeurangan asup

gawé alatan peutingna bagadang lalajobal. Malah aya kajadian réa PNS di

salah sahiji kota anu disetrap kudununganana alatan teu ngalaksana -keun apél pagi.”

“Héhéhé.”“Hih, kalah seuri.”“Hartina dununganana teu rese -

peun kana bal, Mang.”“Untung baé urang-urang mah

pagawéan ana ngalintrik, henteu di -tutungguan ku jam ngantor.”

“Asa sararenang nyah, Mang.”“Papadaning kitu….”“Naon deui, Mang?”“Ulah ngahanakeun teuing lalajo

bal téh, Lo.”“Har?”“Lantaran salian ti korban pagawé -

an téh aya ogé nu nepi ka korbannyawa.”

“Baruk?”

“Di Tiongkok cenah, Lo, aya jalmaanu maot alatan lalajo bal. Cenah mahéta jalma geus dua poé bagadang lalajobal, nepi tuluy tiwas alatan kurangsaré.”

“Gusti.”“Matak najan resep gé ulah nepi ka

kamalinaan. Kudu tetep ngajagakaséhatan.”

“Yaktos.”“Matak Mamang mah lamun peu -

ting kurang saré, beurangna sok teruskurang beunta.”

“Mani raos kitu nyah, Mang.”“Héhéhé.”“Tapi di Afrika mah cenah leuwih

parna, Mang.”“Baruk?”“Aya nu keur lalajo bal bareng

tuluy dibom, nepi ka réa korban.”“Gusti.”“Untung urang mah cicing di na-

gara nu aman, bisa tenang lalajo bal.”“Bener. Komo engké bulan puasa,

aya batur saur, Lo.”“Matak kudu sukur bal, Mang.”“Sukur bal?”“Maksud téh sukur nikmat, bisa

lalajo bal bari aman tur séhat.”***

LLempa Lempi Lempong

Korban Bal