Wawacan Bahasa Sunda

14
WAWACAN Oleh : Iqbal Amrullah (17) XII MIPA 3

Transcript of Wawacan Bahasa Sunda

Page 1: Wawacan Bahasa Sunda

WAWACAN

Oleh :Iqbal Amrullah (17)

XII MIPA 3

Page 2: Wawacan Bahasa Sunda

Wawacan dina sastra sunda wawacan teh

nyaeta hiji karangan anu ditulis dina wangun pupuh. Eusina ngebrehken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. 

Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rekaan atawa imajinasi pangarang.

A. PENGERTIAN WAWACAN

Page 3: Wawacan Bahasa Sunda

Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak.

A. PENGERTIAN WAWACAN

Page 4: Wawacan Bahasa Sunda

Wawacan téh nya éta mangrupa carita anu

didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh.

Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang.

Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui.

B. CIRI-CIRI WAWACAN

Page 5: Wawacan Bahasa Sunda

Mangrupa karangan narasi (carita) Jalan caritana panjang Kaasup kana wangun karangan ugeran Dianggit maké patokan pupuh Ditepikeunana ditembangkeun (beluk) Parapalakuna umumna jalma linuhung Kanyahoan nu ngarang jeung waktu nulisna Jalan caritana umumna ngandung unsur pamohalan Dipidangkeun di nu hajatan, saperti salametan orok,

khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan sabada panén.

B. CIRI-CIRI WAWACAN

Page 6: Wawacan Bahasa Sunda

Tadi geus disebutkeun yén maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké. Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modernitas di golongan urang sunda.

B. CIRI-CIRI WAWACAN

Page 7: Wawacan Bahasa Sunda

Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna Sumanget Anyar: Kolonialisme, Budaya Citak, sarta Sastra Sunda Abad ka-19 (2005), Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu mmaca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".

B. CIRI-CIRI WAWACAN

Page 8: Wawacan Bahasa Sunda

Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram.

C. SAJARAH WAWACAN

Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.

Page 9: Wawacan Bahasa Sunda

Eusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi ( Wawacan Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh jsb ), babad ( Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog, jsb ), nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran. Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa saperti : Wawacan Rengganis, Wawacan Damarwulan, Wawacan Angling Darma, Wawacan Dewa Ruci.

D. PAPASINGAN WAWACAN

Page 10: Wawacan Bahasa Sunda

Nilik kana wangunna, wawacan ngabogaan struktur saperti Manggalasastra (alofon): eusina neda

widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;

Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;

Bagian panutup (kolofon): eusina titimangsa ditulisna éta wawacan

E. STRUKTUR WAWACAN

Page 11: Wawacan Bahasa Sunda

Conto Manggalasastra (alofon)Kasmaran kaula mujika Gusti Ajawajalanu murah ka mahluk kabéhjeung muji utusananaKangjeng Nabi Muhammadnya éta Nabi panutupmiwah muji sahabatna(wawacan Rengganis)

E. STRUKTUR WAWACAN

Conto KolofonTamatna kaula ngarangPukul tujuh malem Kemisdi tanggal tujuh welasnakaleresan bulan Apriltaun Kangjeng Maséhisaréwu dalapan ratusjeung genep puluh duamarengan hijrahna Nabisaréwu dua ratus tujuh puluh

dalapan(Wawacan Panji Wulung)

Page 12: Wawacan Bahasa Sunda

H.Abdul Salam nulis Wawacan Rengganis R.Soeriadiredja nulis Wawacan Purnama Alam.Awal abad ke-20: R.Memed Satrahadiprawira nulis:Wawacan Enden

Saribano R.Satjadibrata nulis:Wawacan Sastra-sastri. Tubagus Djajadilaga nulis:Wawacan Kidung Sunda. Mas Natawisastra nyadur:Wawacan Bispuradja.

F. WAWACAN NU GEUS DIBUKUKEUN

Page 13: Wawacan Bahasa Sunda

R.H. Boerhan Kartadiredja nulis Wawacan

Natasungkawa. M.Kartadimadja nulis Wawacan Jaka Sundang.

F. WAWACAN NU GEUS DIBUKUKEUN

R.Machjar Angga Kusumah Dinata nulis Wawacan Nalaka Suraboma

Engka Widjaja nulis Wawacan Lutung Kasarung.  Nyi R. Siti Hadidjah nulis Wawacan Rusiah Nu Kasep.  M.A.Salmun nyadur Arjuna Wiwaha dina wangun wawacan

dijudulan Mintaraga.  M.Sastradiredja menyadur Wawacan Damar Wulan jeung Wawacan

Prabu Udayana.

Page 14: Wawacan Bahasa Sunda

HATUR NUHUN