Artikel Bahasa Sunda

download Artikel Bahasa Sunda

of 23

  • date post

    29-Dec-2015
  • Category

    Documents

  • view

    691
  • download

    2

Embed Size (px)

Transcript of Artikel Bahasa Sunda

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan SundaKU ayana kamekaran tknologi internt nu ngarambah nepi ka tepis wiring, ttla mawa pangaruh nu kalintang had kana kahirupan basa Sunda. Sanajan tknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Ra diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong th ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balara. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yn naon rupa anu jolna ti deungeun th henteu salawasna gorng, malah nu had og kacida rana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadan.

Po basa indung anu dipiling saban 21 Fbuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yn basa indung th hirup knh, dina harti masih diparak ku masarakat dina wangkongan sapopo. Lain ba basa Sunda, da kaasup basa indung slr sjnna og jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran tknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO th, anu antukna netepkeun 21 Fbuari minangka Po Basa Indung Internasional.

Habna sumanget pikeun ngamumul basa Sunda og bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Fstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Tater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targt panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup tater rumaja nu miluan dina ta fstival. Lain ba patandang ti Jawa Barat, da aya og peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.

Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fbuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang og maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsr, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih ra didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.

Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopo, dipiharep mawa pangaruh had pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Rrongan dina kahadan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.

Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan og ttla urang Sunda mh kalld ku para pendatang. Widang konomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi sjn, ra nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha makeun raja kaya.

Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah silih asih th jeung sasama th? Naha urang bet tga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain ba ngamumul basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajn inajn jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktkeun dina kahirupan sapopo. Lamun silih asah, silih asih, jeung silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopo, tangtu beuki ndah Sunda th. ndah alamna, ndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda th ndah. Rk ditarjamahkeun kana basa naon og, Sunda mah salawasna ndah tur reumbeuy kahadan

Tulak Bala Singlar RuntahPASUALAN runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya Tempat Pembuangan Akhir (TPA) di wewengkon Cigending, Cipatat, Kabupaten Bandung. Nepi ka kiwari og runtah masih tingtalambru di sawatara jarian samentara. Teu pamohalan, sababaraha taun deui, runtah bakal ngahunyud. Sabab, produsn runtah beuki rongkah, kalayan henteu diimbangan ku cara ngokolakeun anu idal. Solusina lain sakadar nangan lahan TPA anu lega. Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan anu disayagikeun, lila-lila mah bakal mentung ngagunung nampung runtah urang Bandung. Mangkaning sasaha og geus pada awal, yn runtah th bisa ngadatangkeun mamala atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan polusi. Katambah deui pangalaman tragdi ngabeledugna gunung runtah di TPA Leuwigajah nu geus ngubur kampung-kampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar (21/02/05). Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa og henteu bisa disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti yn runtah lain pasualan anu bisa dianggap ntng.Tina bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu, kudu buru-buru mapatkeun jamp tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala th sabangsaning jajampan atawa dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina jamp tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jst. Tulak bala og aya anu sok dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti angklung gubrag, terbang pusaka, jst. Tapi jamp jeung tknis tulak bala nyinglar runtah mah kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian. Sammh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsn runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabngbatan mmang moal katingali loba, da puguh ti saimah th rata-rata ukur sakrsk atawa dua krsk. Tapi ari dikalikeun jeung sakabh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rbu mter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyata ngurangan jumlah runtah ti saban imah. Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara nyanghareupan pasualan runtah. Sabab ti baheula og geus surti dina ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung an-organik. Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka tukang rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah? Sanajan bisa nimbulkeun dioksin anu henteu shat pikeun diangseu, tapi bakal leuwih henteu shat lamun patulayah tur ahirna ngotoran lingkungan. Di Bandung, mmang pamohalan ngaruang runtah baseuh di sabudeureun imah. Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun ngurus runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun imah, kalayan henteu ngarasa perelu mikiran ka mana ta runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar iuran runtah ta, antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing di wewengkon batur mah barala og. Nu penting mah di wewengkonna henteu barau runtah, kajeun teuing di wewengkon batur mah barau runtah og. Sikep gois anu mh teu karasa, geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rk dijieun TPA. Puguh ba lumbrah, lantaran maranhna ngeunteung kana gagalna cara ngokolakeun TPA. Antukna TPA idntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna ta anggapan th bisa dirobah upama TPA dikokolakeun kalayan had tur daria. Contona ku cara ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu, masarakat baris ngabagakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna henteu pati daria.Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah, taya deui iwal ti ngayakeun gaw bareng antara pamarntah jeung sakumna masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamarntah, nepi ka iraha og moal aya rngsna. Sakali deui, kudu aya rampak gaw anu harmonis antara pamarntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamarntah kudu nyayagikeun dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyata pikeun runtah baseuh jeung runtah anu garing. Lamun waragad man bal anu jumlahna miliaran bisa kahontal, piraku ba henteu kabeuli mobil paranti runtah.Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna og kudu diimbangan ku nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah og bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang anu payu knh kana duit. Apan ta th kaasup pagawan mulya anu mugia ba aya dina karidoan-Na. Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah. Mun perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing. ta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna. Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamarntah bbakan ngurus runtah, moal aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina ngokolakeun runtah. Lain ba pasualan pamarntah anu tacan bisa ngokolakeun runtah, tapi perkara mntal masarakat og henteu kurang pentingna. Jajampan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum beunta: ciwit heula diri sorangan, sammh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan, sammh neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun kaambeu bau, pk pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu nyeuseup nu barau ta. Pikeun sing saha ba anu irungna masih knh normal, pasti bakal milu titn kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tkad pikeun milu partisipasi dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang.

MASARAKAT ADATPAPAGON dina masarakat adat mah alam baris mr kahadan lamun maranhanana g ngajaga tur ngamumul alam sabudeureunana. Kaarian terus