Tugas Bahasa Sunda EGI

13
Tugas Bahasa sunda Lagenda Dewi Sri (Asal muasalna Pare) & Lutung Kasarung Nama : Regina Oktavia Zahra Kelas : 7 – A

description

bahasa sunda

Transcript of Tugas Bahasa Sunda EGI

Page 1: Tugas Bahasa Sunda EGI

Tugas Bahasa sunda

Lagenda Dewi Sri (Asal muasalna Pare) &

Lutung Kasarung

Nama : Regina Oktavia Zahra

Kelas : 7 – A

SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 27 KOTA BANDUNG

Page 2: Tugas Bahasa Sunda EGI

Lagenda Dewi Sri (Asal muasalna Pare)

Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman endah sinareg damai nyaeta “Ytaman Sorga Loka”. Dina tempat eta cicing hiji jalma nu ngarana “Sunan Ibu” nu keur nungguan kadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”. Dewi Sri ngalaporkeun yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya” mangrupikeun hiji kabutuhan hirup kabeh .Mireng hal eta , Sunan Ibu miwarang sangkan Dewi Sri angkat ka Buana Panca Tengah.

Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah nupenting mangkatna dibaturan ku ‘’Eyang Prabu Guruminda ‘’. Permohonan Dewi Sri oge dikabulkeun ku Sunan Ibu .Saencan mangkat ninggalkeun Sorga Loka, Eyang Prabu Guruminda calik bersemdi nuhunkeun petunjuk Hiang Dewanata . Saentos angges semedi sinareng kenging petunjuk, sareng kasaktianna anu ngan dina waktos sakejap, rupa Dewi Sri ngabentuk jadi saiji endog.

Page 3: Tugas Bahasa Sunda EGI

Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda ngagiring Dewi Sri sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu wujudna jadi endog, disimpen dina kotak nu ngarana “Cupu Gilang Kencana”. Prabu Guruminda sangges sababaraha lamina ngapung ka satiap panjuru kaler –kidul-ngulon-ngetan’anu akhirna  dina hiji mangsa CUPU GILANG KENCANA kabuki jeng endoganu aya di jerona murag.

Ges jadi kahayangna anu maha kawasa ,endog nu eta teh murag di hiji tempat anu mana eta tempat dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’.Dewa Anta anu terangen di tempat cicingna aya endog ,mangkana eta endog teh di ingu .sangges sabaraha waktos lamina ,eta si endog teh netes nya terus lahir  hiji wanoja anu gelis  anu te aya babandingannana anu teu aya lain nyaeta DEWI SRI.

Dina sajeroning kadewasaannana anu gelis pisan ,mangkana kasebar barita ka sakabeh nagara pedah kageulisannana ejeng  sang putri, terus pada daratang para raja rajaanu maksudna rrek ngalamar sang putrid anu rek di jadikeun pameswari.

Dewi Sri ngengingken pinangan ti para raja, tapi DEWI Sri hente ngarasa bungah pedah lamun manehna narima pinangan berarti manehna geus ngingkar tugas dimandetkeun kamanehna. Kaunggal raja oge entos dijelasken yen maksad kalahirana eta sanes padu jeung neangan calon salaki, tapi jeung ngalaksanakeun tugas ti Sunan Ibu di Taman Sorga Loka nyaeta kanggo nganugrahkeun “CIHAYA” ka nagara gelar Buana Panca Tengah.

Tapi, sanajan katerangan parantos disampekeun, lamaran terus wae daratangan jeung ku sabab kitu akhirna Dewi Sri nagaraos tekanan batin jeung udur. Beuki lila, panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah dugi ka dongkap waktos Sang Putri nyampekeun mandate terakhir “lamun dongkap waktos abdi maot jeung lamun abdi parantos dikurebkeun, erek aya kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”. Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha Kuasa, Dewi Sri  oge maot.

Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan. Dicaritakeun dina hiji poe, aya aki-nini nu keur milarian suluh jeung milarian dahareun kanggo bekel hirup duaan.

Waktos aki jeung nini kenging hiji pusara nu parantos jadi pepelakan ku pepelakan anu can pernah dipanggihan jeung ditempo Saumur hirupna. Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen jdi tangkal bubuahan, dna bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina awakna

Page 4: Tugas Bahasa Sunda EGI

jadi tangkal aren (enau=gula) sareng hiji pepelakan anu mani aneh jeung can pernah aki jeung nini nimukeun eta tangkal, jeung kakara ningalna oge. Nyaeta srangkai tatamgkalan nu dauna sae buahan keur hejo keneh buluan sae oge.

Akhiirna aya niatan ti aki jeung nini kanggo miara eta tangkal aneh teh jeung dibersihkeunna pusara jeung sakuliring tangkal eta. Sakitu tina poe ka poe minggu ka minggu  ku kasabaran jeung katekunan pepelakan eta dipiara teh. Teu karaos waktos parantos bulanka 5, buah nu tadi hejo the ngeusi pinuh, jadi buah nu sadahan eta tungkul saking ku beuratna. Ku kasbaran jeung kayakinan salain itu haying nyaho sampe kumaha jeung naon sabenerna eta tangkal aneh. Saentos sababaraha lami bede ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta the jeung siki siki buah tadi teh jadi koneng jeung resep katempona.

Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah. Saencan diala eta buah the diasaan hela pak the eusina bodas jeung amis rasana. Aki jeung nini nyiapkeun dupa jeung seuneuna kanggo meuleum menyan kanggo menta idin ka “Hiang Widi”. Saentos meuleun menyan, dipotong eta tangkal nu dimaksad jeung mani ngejat akijeung nini eta pedah dina dahan anu dipotong tadi ngaluarkeun cai bening sinareng seungit, tapi kanggo aki jeung nini henteu hanjakal kusabab apal yen kajadian ieu parantos jdi kahoong nu kawasa.

Tapi aya niatna kanggo melak eta tangkal deui, jeug siki siki buah tadi dipelak deui disakuliring pusara Dewi Sri. Kaajaibanna oge kajadian deui kusabab ku sakerejep ge siki siki tadi hirup jeung entos buahan koneng oge. Aki jeung nini langsung nuar jeung sakerejep oge dipelak deui siki siki koneng eta sampe ka terus kaulang ulang sampe kakumpulkeun beungkeutan siki siki buah koneng loba pisan.

Ku kajadian eta aki jeung nini jadi lieur. Meunang hasil loba pisan dina waktos tereh. Tina buah saadahan. Salain eta naon anu maranehna boga teu acan nyaho naon jeung naon ngarana eta buah teh.

Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan teu acan kenging kaputusan kanggo masihan ngaranna. Sahingga ujug ujug nini ngusulkeun yen kusabab aki jeung nini bingung teu tiasa aya kaputusan jeung hese kanggo milihna, anu dina basa sunda mah disebutna “paparelean”, akhirna buah eta the disebut make ngaran “Pare”(padi).

Page 5: Tugas Bahasa Sunda EGI

Akhirna anggeus carita teh. Jadina ayeuna ditatar sunda nu dimaksud sbg Nagara Buana Panca Tengah, jadina ayeuna tangkal jeung buahna anu dimasad disebut “PARE”, nu mangrupikeun cita-cita Dewi Sri Pohaci Long Kancana kanggo ngalengkepan hirup nu disebut “CIHAYA”. Kusabab kitu jalmi jalmi sok nyebutna Dewi Padi nyaeta Dewi Sri.

Sumber :

https://riyannurhaedi.wordpress.com/2011/11/01/legenda-dewi-sri-asal-muasalna-pare-versi-basa-sunda/

Page 6: Tugas Bahasa Sunda EGI

Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.

Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.

Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.

Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.

Page 7: Tugas Bahasa Sunda EGI

Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”

Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.

Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.

Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.

Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”

“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.

Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”

Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.

Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”

Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.

Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.

Page 8: Tugas Bahasa Sunda EGI

“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”

“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.

“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”

Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!

“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”

Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.

“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”

Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.

Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.

“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”

“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”

Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.

“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.

Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.

Page 9: Tugas Bahasa Sunda EGI

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.

Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.

Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.

Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.

Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.

Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.

Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.

Page 10: Tugas Bahasa Sunda EGI

Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.

Sumber :

https://bujanggamanik.wordpress.com/2008/04/24/lutung-kasarung/