Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

22
Kumpulan Puisi Bahasa Sunda Hirup Ngan Ukur Cenah Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 | Sajak IWAN M. Ridwan Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota Sedeng cinta ngan saukur teteguhan Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah. Sabab jaga teuing kumaha boa Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana. Cenah hirup ayeuna teh di dunya Sedeng cinta teuing di mana ngancikna Bandung, 11 Juli 2010

Transcript of Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Page 1: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Hirup Ngan Ukur Cenah

Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 |

Sajak IWAN M. Ridwan

Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota

Sedeng cinta ngan saukur teteguhan

Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang

Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual

Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana

Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng

Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor

Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.

Sabab jaga teuing kumaha boa

Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana.

Cenah hirup ayeuna teh di dunya

Sedeng cinta teuing di mana ngancikna

Bandung, 11 Juli 2010

Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010

Handapeun Sora Sit-uncuing

Page 2: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 |

Sajak IWAN M. RIDWAN

Sit-uncuing ngelak maseuk kota

Nyelangan gerung kored mesin

Memeh pindah kana gurat jukut sejen

Handapeuneunana balawiri nu ngulon ngetan

Tuturubun ngudag jeung diudag waktu

“Bisi teu kasampeur nu lebah pengkolan!” ceuk hatena

Ngomong ka panon poe nu teu malire

Renghap ranjug dayeuh beuki sumpeg

Katarajang panyakit mengi sabab paru-paruna geus karancang

Dina tikorona menet reuhak peradaban

Ngagulung jeung teknologi

Jeung runtah

Handapeun sora Sit-uncuing manglaksa kacangcaya teu kungsi mulang

terus ngamalir ka rorotek jalan nu brasna ka poe kiamat

Bandung, 24 Mei 2010

Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010

Suci Dulife ‘10

Page 3: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-02-2010 |

Da cinta nu saéstuna tara laas ku robahna mangsa

Rongkah, rohaka tumerap na dadasar kalbu

Nu bisa ngarungkup gunung,

ngojayan jaladri, meuraykeun jaladra

Urang suaykeun rupaning lalangsé

Urang halingkeun aling-aling

Wilujeng milangkala, jungjunan…

Panjalu – Cibiru – Pulogebang, 1978-2010

Bulan Masih nu Baheula

Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |

Sajak RIZAL SABDA

Karasa ayeuna mah Yan

lalampahan téh geus natrat

kajeueung di péngkolan

bulan béngras kénéh

nyaangan léngkah gejed urang

Page 4: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

nu ngandelkeun gandeuang basajan

Yan bulan masih nu baheula

najan cahyana dicangkalak katunaan

wirahmana angger marengan réngkak urang

nu éstu rimbil ku harepan nu can kalakonan

Dimuat dina Mangle No. 2196

Puisi Sunda ini pemberian dari sahabat saya selama 2 1/2 tahun berchatting ria di dunia maya dengan orang2 yang benar2 ada. Terima kasih untuk SIKABAYAN.____________________________________

Anjeun miang kaalam kalanggengan taya pangyuga jeung pangdoahoncewang............... 

menceriterakan kesedihan di-tinggal ortu yg telah tiada, tanpaada yg menjaga & mendo'akan

Anjeun indit.......... taya beja jeung carita anu can tangtu panggih da anjeun geus dipibogacangcaya................ 

mengisahkan kesedihan di-tinggal seseorang yg telahdimiliki orang lain

Kuring sorangan taya panutan jeung kacintaan taya pangdeudeuh jeung pamuntangan bongan aranjeun mariang ninggalkeunduh diri...............

menceritakan nasib kesendirian tanpakekasih tanpa pelindung, karena merekameningalkannya.

Page 5: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

*******Dan ........ Alhamdulillah, sebetulnya kita tidak sendirian, karena DIA yang Maha Pengasih dan Maha Penyayangselalu bersama dengan mahluk ciptaanNYAdengan cinta yang murni dan hakiki.

PAHLAWANRachmat M. Sas Karana

Prajurit nu teu mulang ti danalagaperang'na jalan nu dipirido Allah Ta'alatong dianggap palastralantaran maranehna, langgeng hirupna

NganBisa jadi urang teu sadarpoho lantaran tambelarkana pahlawan   nu ngancik `na sanubarinu meunang ganjaran tan wangenanti Gusti Nu Maha Suci

Bandung, _1965(bada maca Q.S. 2 :154)

Kahirupan Mak AnahEddo Sy

Mak Anah tukang surabisore subuh satia nganti nu meulisatuhu usaha ngadago rijkiceuk paribasa najan ngan payu sasiki

Ma Anah dagang surabiteuing geus ngaliwatan pirang rewu janariaya rame aya sepikauntungan heunteu pasti

“Ema oge lin teu hayang jiga baturema yakin rijki mah aya Nu Ngaturku kituna heunteu kudu jadi caturgede leutik ema tetep ngucap sukur”

Ma Anah tukang surabisatia usaha nganti nu meulirek rame rek sepitetep sumujud ka Gusti.

Page 6: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

IndungAyatrohaedi

Iuh tanjung seungitna marganing wuyungliuh indung perbawa nu cadu nundung

mun di dunya ngan aya indung jeung bapabakal bisa ngawasa sajagat raya

Ngan indung memeh miang dielingan,“Lamun hirup ngan ngumbar karep sorangan

temahna poho ka indungkaduhung nunggu di tuntung

nya hanjakal bakal jadi incu cikal.”

2001:88

PamanggihAyatrohaedi

Salapan bulan ngakandungMoal aya hiji jalma

leuwih ti indung micintaindung gudang hampuraSalapan bulan dikandung

Moal aya hiji jalmaleuwih ti anak rumasa

anak gudang dosaSalapan bulan ngakandungPinuh rasa jeung rumasaSalapan bulan dikandungPinuh dosa jeung rumasa

2001:84

Lagu PujaYous Hamdan

Gusti,Ingkeun ieu kalbu sina ngalagungawihkeun kangen ka AnjeunTiap renghap sadami-sadamidihejah asma Anjeun hiji-hiji

Ya Rohman, Ya RohimYa Basyir, Ya HakimYa Wahid, Ya MajidYa syahid, Ya Rosyid

Dina Angin di Pucuk-pucuk daunKakuping lirih galindeng dawuhAbdi tanggah neuteup pamenteu gaib

Page 7: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Dina ramat cahaya burit

Ya Gofar, Ya QohharYa Jalil, Ya KarimYa Zahir, Ya BatinYa Awwal, Ya Ahir

Dina kangen abdi sumujudJero kangen abdi nyaluuhBari ngedeng bari diukBiwir ngunyem panon kucup.

Sumber : Kumpulan Sajak Sunda "Kalakay Budah"

Tanah SundaHikmat Sadkar

Kawih tingtrim nu kamarisuling jeung jentreng kacapihaleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjangkiwari geus ilang musnageus tilem ku mangsa

Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapanganpohaci jeung widadari lir impian nu geus bari

aheng keneh dongeng sabrangdatang ti pentas lautan

deudeuh tanah gumelarti taun ka taun kalantar

Garut 1978Tina Mangle No. 694, Taun XXII 2 Agustus 1979

NGAGEURI DINA SUJUD IEDUL FITRI

Sajadah titilam hate nu pasrahnyuubkeun cirumasa nu murubut tina panon rasasarta nitipkeun kalaip dirinu salilana paanggang jeung sanubaridina sela-sela du'akuring tamada:

"Gusti Nu Maha Wisesa,pareumkeun ieu nu ngabebela dina dadaku hujan kaheman nu rohakasarta leyurkeun ieu batu dina kalbuku gada pangriksa nu tohaga"

Page 8: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Sajadah titilam sukma nu leahjadi saksinu ngageuri merih susucining diri

Bandung, Iedul Fitri 1995

BONGAN KITUJuniarso Ridwan

Bongan kitu disebutna, puguh megadipapay di awang-awang: cek aing angin

Bongan kitu karasana, nyerina raheuttatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

Bongan kitu digambarna, geulis kabina-binaditepungan unggal wayah: cek aing werejit

Bongan kitu pandena, nyarita soranganditataan di rs jiwa: cek aing eling

Bongan kitu ayana, beda jeung nu liandiguliksek dina kamus: cek aing ibadah

Bongan kitu itunganana: Gusti

1992

TAPAK SANGKURIANGDadan Bahtera

Talaga Bandung, Canembrang herangMojang, geura midang memeh kuring miangAnterkeun semet rawayan

Citarum; oray geulis beuki manisTapi di mana pangbalikanTangkubanparahu asa beuki anggang

Bandung, Pebruari 1989Tina Galura No. 45, Minggu 1 Januari 1990

Page 9: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

CIKARACAK

Cikaracak ngarakacakleuweung dibukbakhuluwotan ngoletrakcaina teu ngeclakkampung burakrahayat ngoceakpara kglomerat: curak-curaksila andekak

Naha kudu nungguan rahayat barontaklamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:kudu aya tangkurak dekokdibeletak batu cikaracaknu lawas teu manggihtiisna keclak cai :cikaracak

Lamun rahayat ngoceakCikaracak ngarakacakpamingpin milu andekaknaha urang ge cukup calawak

TUKEURAN IEU SAJAK

Tukeuran ieu sajak

Ku salambar simbut atawa samak saheulay

Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay

Pating golepak dina trotoar

Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak

Heug sidkahkeun kanu haropak

Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak

Tukeuran ieu sajak

Ku sababaraha siki pelor

Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator

Sina enya kalojor

Page 10: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Tukeuran ieu sajak

Ku beubeutian tina kalbu anu rido

Keur nyebor anu balangsak

(Lamun teu kitu sasaak)

(Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)

WASIAT KONGLOMERAT

Lamun Apih paeh

pangbungkuskeun ku salambar boeh

ladang ngeleketek

tina rupa-rupa proyek

Lamun Apih nemahan pati

pangmesenkeun padung jati

ladang ngumpulkeun komisi

jeung rupa-rupa korupsi

Kontrak-kontrak nucan diteken

Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun

awurkeun luhureun paesan

na tetengger heug tulisan

: parantos mulang ka kalanggengan

Apih, konglomerat tuladan

(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)

PANGBALIKAN

Iuh, iuh gunung kuring

Page 11: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

angin ulin dina embun-embunan

sawaktu-waktu kuring kudu nepungan

dumeh hirup halabhab cinta

di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat

aya sababna kuring pegat

tapi nu ahir lain kaabadian

kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring

nyata, nyata tanda-tanda

ngabalungbung jalan hirup

nepi ka nyawa rek asup

ka maranehna kuring rek balik

ka maranehna kuring rek pamit

(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)

LEUWI

sora nu tinggerendeng

teu weleh saheng

di leuwi aing

laut nu tan istirah

teu weleh motah

di leuwi aing

di leuwi aing

sagala teu weleh betah

Page 12: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

sagala teu weleh motah

(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)

LALAKON I

Mangsa budak resep ulin

ngarucu bulan

mangsa rumaja resep wanoja

ngumbar asmara

nincak sawawa narik jangkar

ngambah sagara

geus kolot mah kari tapakur

isuk sore ngitung

umur!

(Hadi AKS, Tina Galura No.39)

LAGU HIRUP

Unggal poe unggal lengkah

nataan tanggal dina kalender

angger aya nu diarep-arep

ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita

teu weleh aya nu miheulaan

warna-warni kajadian. Teu kapireng

da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedih

Page 13: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

nu teu kedal. Dina kongkolak

kahirupan. Aya nu miang

teu mulang deui

(Eddy D. Iskandar, 1992)

BONGAN KITU

Bongan kitu disebutna, puguh mega

dipapay di awang-awang: cek aing angin

bongan kitu karasana, nyerina raheut

tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina

ditepungan unggal wayah: cek aing werejit

bongan kitu pandena, nyarita sorangan

ditataan di rs jiwa: cek aing eling

bongan kitu ayana, beda jeung nu lian

diguliksek dina kamus: cek aing ibadah

bongan kitu itunganana: Gusti

(Juniarso Ridwan, 1992)

PADUNGDUNG DANGDUT

“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan

angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul

manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong

angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok

nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy

kabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!”

Page 14: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina

sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki

soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun

cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!

Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sarta

teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh

peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela

Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu

patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih

peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,

disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun

tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.

(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)

Burit Geus Reupreupan

Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |

Sajak YOUS HAMDAN

Layung, ka mana layung

basa girimis nyandet urang di saung

satengahing pajaratan

basa réngsé ngurebkeun layon

Diriung parentul batu tutunggul

sakapeung urang pating gerendeng

Page 15: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

mimindengna ukur ngaheneng

diranggeum keueung

Jeung burit beuki reupreupan

-Saha heula

anjeun heula kuring heula? cék anjeun harita

-Teu kudu paheula-heula

dawuh cunduk mun pareng giliranana, -tembal kuring

asa-asa

Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan

jeung seungit kembang samoja

bulu punduk naha bet muriding

geuning urang paheula-heula bingbrit

norobos hujan nu beuki ngerepan

Jeung burit beuki reupreupan

Katineung ka Odji Seiadji AR almarhum, mugia ginanjar rohmat kawilujengan ing dalem kubur.

Dimuat dina majalah Cupumanik/April 2008

Nu Lumampah Peuting

Page 16: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |

Sajak TONI LESMANA

Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan

Sabot damar sakarat. Boa lebah janari

Dina dzikir reumis

Lebah sora ajag nu pamungkas

Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan

Sabot damar sakarat. Boa lebah balébat

Dina salambar halimun

Lebah sora manuk munggaran

Ngimpleng-ngimpleng pangreueruhan

Damar saukur dadamaran

Da léngkah geuning tuluy lumampah

Boa moal kungsi reureuh: apan tatu tacan kénéh liput!

Dimuat dina Mangle No. 2164

Page 17: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Katresna anu pernah Katunda

junjunan…

upami salira ngintun wartos .. sok aya.. peraosan nu nambih…

nambih nyaah.. nambih sono.. nambih mikatresna..

duh panutan hate

iraha tiasa patepang..

tiasa nyarios..seueur..

tiasa silih pihapekeun rasa anu tos lami teu dugi

..

-oOo-

duh.. junjunan…

ieu hate moal kamana-mana

moal bakal nyapirakeun..

kana katresna anu kantos dititipkeun ku salira ..

jungjunan…

rasa sono …

rasa yaah …

katrensna anu beuki dieu beuki tamplok kasalira..

moal aya tandinganna..

moal aya babandingannana

..

ningali salira nu tos lami teu katingal dedeganana..

nu tos lami teu karaos asihna..

nu tos lami diimpen-impen…

disapirakeun ..

dikantunkeun..

duh..

jungjunan hate..

..punten..

tos lami ieu hate teu ngartos kana kaayaan ati salira..

..

ahh..

moal ningali kapengker..

nu penting mah ayeuna..

geter hate teh ngan ukur kanggo salira..

kasono teh.. bet moal aya bandingannana..

bungah.. endah..

.. dugi ka ngeclak cipanon bakating ku bungah sareng sonona….

ka salira

katresna ka salira moal liren dugi kairaha oge..

dugi kamana oge.. dituturkeun..sanaos teu ditungtun..

Sebuah rasa yang sudah lama tersimpan kini terungkap kembali…..

Begitu indah sebuah rasa cinta yang sejati

———-=———–=—–=

Page 18: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Kanggo Salira

jungjunan

wengi ieu karaos pisan sonona..

beuki lami..

beuki dieu..

unggal usik

unggal malik..

duh..

geuningan rindat salira nu karaos..

..

aya anu gumuruh dina lebet dada ..

tos lami teu kedal..

mung ukur dibuni-buni..

disimpen dinu pangnyingkurna..

geuning ayeuna..

..

kuring bagja pisan

anu karaos teh endah..

duh..

iraha atuh tepang..

iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..

ngaraoskeun seungitna cinta ti salira..

ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..

ngaraos bungahna..

basa gugah teh geuning aya salira

bari neutuep geugeut..sono..deudeuh.. nyaah..tresna..

kasono teh ngan ukur kagungan salira.

..

salam sono sareng katresna..

-0-0-0-0-0-

Katresna Kanggo Salira

jungjunan…

kacinta

katresna

kadeudeuh

kanyaah

kasono

kaheman

ka salira…

beuki…. muka….

lawang katresna ka salira… beuki muka

panto ka sono kasalira beuki… molongo

jandela ka kanyaah beuki muka

0-0-0-0-0-

Dina Impenan

Jungjunan…

unggal dinten ..

nu diantosan wartos salira

Page 19: Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

nu diimpen mung salira

sanaos tara nyarios dina impenan..

mung ukur gumujeng bari ningalikeun..

deudeuh pisan..

duh..

jungjunan

..

tapi geuningan nyata..

salira geuning nyaah pisan..

deudeuh pisan..

tresna pisan..

ah..

kuring bade teras gugah..

bade nguping wartos ti salira

bade merhatoskeun salira..

bade nyiar impenan anu katunda..

..

duh..

pamugi leres..

ieu teh bakal wujud..

masing teu terang iraha waktosna..

iraha jantena

duka atuh..

meni hese..

..

kabungah teh geuning aya hahalangna..

..

0-0-0-0

Dinten Kemis

Dinten Kemis

nyaharita urang ngawitan petepang

teu nyana sami-sami ngemutan

Dinten Kemis

geuning katresna mekar na ati

teu walakayan kasiksa diri

antukna silih kedalkeun eusi ati

Kota katresna jadi saksi urang duaan silih kedalkeun katresna

Kota kaasih jadi saksi urang duaan silih tamplokeun ka sono

Dinten Kemis

Urang duaan silih pikanyaan