Contoh Surat Cinta Dalam Bahasa Sunda

download Contoh Surat Cinta Dalam Bahasa Sunda

of 2

Transcript of Contoh Surat Cinta Dalam Bahasa Sunda

Contoh Surat Cinta Dalam Bahasa SundaSalam kasono ti pangumbaraan,Dibujeng enggalna bae, serat salira tos katampi dinten kamari dina mangsa srangenge tos tunggang gedong, enya sanes tunggang gunung da didieu mah teu aya gunung. Tos nyampak diluhureun golodog, karasana haneut keneh panginten can lami aya didinya. Barang bray teh dibuka, hate ngaleketey, paingan atuh didago dago dugikeun ka panjang gado, diantos antos dugikeun kanyeri beuheung sosonggetan, serat teh teu aya waleran wae, sihoreng salira teh nembe kenging dodoja. Syukur atuh tos sehat deui mah, da eta anu disuhunkeun siang sinareng wengi. Ayeuna mah teu kedah seueur emutan, aluk mah sing seueur ngadu'a, pamugi cita-cita urang sing enggal kahontal sareng sing enggal tinekanan. Teu kedah ringrang komo deui cangcaya da akang mah estu tigin kana jangji, moal udar tina tali gadang, moal luntur kaibunan, moal gedag kaanginan, sumawona belang kabulaoan, estu nyacas salawasna. Deneng eta aya cariosan anu matak helok dina seratan anu atos atos, eta mah mung ukur ngadoja, naha salira bakal ngolembar kuayanana cariosan eta. Tapi nyatana, geuning matak pikabingaheun, matak pikareueuseun, henteu melengkung bekas nyalahan, milih salira. Hatur nuhun, geuning salira teh teu kabengbat ku harta, sanaos ATM akang tos lami dikeukeuweuk salira, da akang ge saratus persen percaya, ketresna tanpa harta moal bisa walakaya. Punten ieu mah sanes ngungkit ngungkit anu tos kalangkung, mangga we etang salami urang hahadean kirang langkung tujuh taun, pan mahugi pulsa elektronik ge pami dipeserkeun ka sawah mah panginten tos aya sahektareun. Atuh mangga we etang, tos sabaraha amplop kanggo nyogok si abah, supados waktos apel diperpanjang dugikeun ka janari. Punten sanes perhetangan, da dugi ngabelaan ngumbara ka lembur batur ge da kanggo saha deui, kanggo salira ku anjen. Tong boroning eta, sanaos banda akang anu ngan hiji hijina ge, upami tos lugina mah kanggo saha deui, bade dicoo salamina ge mangga teh teuing rido we nu aya. Moal panjang lebar, komo panjang ageung mah da nu panjang ageung mah tos muklis milik salira. Sakitu nu kapihatur,ditutup kupidu'a mugia salamina urang aya dina kawilujengan. Amin !Nama : solehudin Clas : X.TL_5

Surat Pribadi Basa Sunda

Sukabumi,24 Oktober 2011 Kahatur Shinta Dewi Di Jakarta Sareng hormat, Shinta kumaha damang? Nuhun upami damang mah. Abdi oge dina danget ieu mah teu kirang sawios-wios. Nu mawi abdi nyerat teh bade ngawartosan, rehna minggu payun abdi sakulawargi bade ka Jakarta. Upami teu aya pamengan, abdi bade ka bumi shinta. Abdi teh hayang dianteur ulin ka Ancol. Sakieu bae serat ti abdi. Mugi-mugi urang tiasa tepang minggu payun. Hatur nuhun. Hormat abdi, Solehudin