Biantara Seni Budaya Sunda Fixed

3
ALYA MEIDHYNA CHAIRUNNISA BIANTARA BAHASA SUNDA PERKEMBANGAN BUDAYA DAERAH JAWA BARAT SDPN PAJAGALAN 58 BANDUNG

Transcript of Biantara Seni Budaya Sunda Fixed

Page 1: Biantara Seni Budaya Sunda Fixed

ALYA MEIDHYNA

CHAIRUNNISA

BIA

NTA

RA

BA

HA

SA S

UN

DA

PERK

EMBA

NG

AN

BUDA

YA D

AERA

H JA

WA

BARA

T

SDPN PAJAGALAN 58 BANDUNG

Page 2: Biantara Seni Budaya Sunda Fixed

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatu,

Tepangkeun, wasta abdi Alya Meidhyna Chairunnisa, wawakil ti SDPN Pajagalan 58 Bandung,

bade mintonkeun biantara, ngeunaan “Perkembangan Budaya Daerah Jawa Barat”.

Para hadirin anu ku simkuring dipikahormat,

Langkung tipayun, urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Illahi Robbi,

numana kalayan hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa kempel di ieu tempat,

kalwan dina kaayaan sehat wal’afiat,

Para hadirin anu dipikahormat, dina waktos ieu simkuring bade ngahaturkeun biantara dina raraga

mieling “Perkembangan Budaya Daerah Jawa Barat”,

Para hadirin anu dipihormat, urang sadaya tos terang,

perkembangan Budaya Daerah Jawa Barat atanapi perkembangan Budaya Sunda diantawisna aya

Seni Tari, Seni Wayang Golek, Seni Angklung sareng anu sanesna Budaya Sunda oge gaduh senjata

tradisional anu namina “Kujang”,

Cobi, saha anu terang Visi sareng Misi Jawa Barat?

tah bilih aya anu teu terang, ku simkuring bade dipijelas,

Visi Jawa Barat teh nyaeta sorana “Iman sareng taqwa Propinsi Jawa Barat pinunjul di Indonesia”,

upami Misi Jawa Barat diantawisna :

- ngawujudkeun kualitas kahirupan masyarakat ku budaya teknologi produktif sareng daya saing,

- ngawujudkeun lingkungan nu asri sareng lestari,

- ngawujudkeun pamarentahan anu sae,

- ngawujudkeun pemerataan pembangunan sareng kaadilan,

- ningkatkeun ekonomi sareng daya saing berbasis potensi budaya daerah,

Para hadirin, tah eta Visi sareng Misi Jawa Barat teh,

perkembangan Budaya Sunda oge tos aya anu terkenal ka sagala mancanagara,

janten hayu urang tingkatkeun Budaya Sunda sangkan leuwih kawentar ka sagala mancanagara,

Para hadirin anu mulya, cekap sakitu biantara nu ku simkuring sanggemkeun,

bilih aya basa anu kirang eunteup seureuh, mugi kersa ngahapunten,

Wabilahitaufik walhidayah, Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarokatu….

Alya Meidhyna Chairunnisa