Tugas Sunda
-
Upload
retinaaghistnirahmawati -
Category
Documents
-
view
256 -
download
11
description
Transcript of Tugas Sunda
Jonggrang KalapitungKu: Budi Rahayu TamsyahHidep kungsi ulin ka Jatiluhur? Jatiluhur téh perenahna di
Purwakarta. Di dinyaaya bendungan anu lega. Katelahna Bendungan Jatiluhur. Ari
anu dibendungnaWalungan Citarum. Éta bendungan téh gedé pisan mangpaatna. Dipaké
pikeunrupa-rupa kaperluan.Caina dipaké pembangkit tanaga listrik, anu listrikna dipaké di
sakuliah PuloJawa. Salian ti éta dipaké pikeun irigasi deuih. Nyaian sawah-sawah anu aya
dikalér, saperti di Purwakarta, Karawang, jeung Subang. Terus parat nepi kaBekasi jeung
Jakarta. Malah cai beresih anu aya di éta wewengkon, umumnamah asalna téh ti Jatiluhur.Teu
saeutik deuih anu miara lauk di Jatiluhur, maké jaring anu disebut
“kolam jaring terapung”. Jatiluhur ogé jadi obyék wisata andelan. Salian ti pamandanganana
éndah, geus diwangun obyék wisata modern deuih. Sapertiwaterboom jeung kolam renang.
Atuh keur nu resep nguseup, di Jatiluhur ogéloba tempat paranti nguseup.Tapi jaman baheula
mah, baheulaning baheula, cenah di sabudeureun Jatiluhur téh, masih kénéh mangrupa
leuweung geledegan. Rembet ku kakayon,caranéom jeung geueumeun. Lolobana tangkal jati,
galedé jeung jarangkung.Tangkalna sagedé-gedé beuteung munding. Can jadi bendungan
cara ayeuna.Malah can aya lembur-lembur acan.Leuweung sanget pikasieuneun. Anu matak
tara aya jalma anu lunta-lanto kadinya. Dina kapaksana ogé, teu weléh sanduk-sanduk ka nu
ngageugeuh didinya. Ari anu ngageugeuh di éta leuweung katut gunung-gunung
disabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. NgarannaJonggrang
Kalapitung.Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng tandingareng.
Bulu kumisna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna gimbal cawigwigngarerewig. Kakara
oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun
jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Héséngabédakeu
nana, keur leuleuy atawa keur ambek.
Si Kabayan Meuleum LaukKu bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada
mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.
Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, dan dibekelan ku kolotna, surundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh di kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.
Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.
“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.
“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.
Réngsé dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos makeé uyah dina coét.
Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna téh ata tilu.
“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.
Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener
lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali.
MANUK TITIRAN JEUNG NYIRUAN
Kacaturkeun di hiji leuweung.
Poé keur meunjeuhna morérét. Dangdaunan ogé lalayu, teu kuateun ku hawa panas
panonpoé nu sisinarieun harita mah kacida panasna. Kitu deui sasatoan, gawéna
salasap-sulusup kana rungkun, néangan tempat ngiuhan.
Teu jauh ti dinya aya nyiruan keur kalantang-kulinting néangan cai. Manéhna kacida
ngarasa halabhabna, sanggeus kukurilingan di jero leuweung ti isuk-isuk.
Akhirna sakadang Nyiruan téh manggih pancuran. Tuluy baé dideukeutan' arék
nginum. Tapi karék gé eunteup, Sakadanga Nyiruan téh tisorodot, terus ragrag kana
cai.
"Tulung.... tulung!" Sakadang Nyiruan jejeritan bari roroésan dina cai, ampir paéh.
Kabeneran aya manuk titiran keur ngiuhan dina dahan teu jauh ti dinya. Ngadéngé
nu tulung-tulungan, geuwat titiran téh muru datangna sora, rék nulungan. Enya baé,
ku Sakadang Titiran katénjoeun nyiruan téh, geuwat metik dangdaunan, tulux cicing
di luhurna. Bari rénghap ranjug Sakadang Nyiruan nganuhunkeun ka Sakadang
Titiran anu geus nyalametkeun nyawana. Isukna Sakadang Nyiruan kukurilingan rék
barangsiar. Barang nepi ka hiji tempat, manéhna mireungeuh aya paninggaran nu
keur ngécéngkeun bedilna. Barang disidik-sidik, horéng paninggaran téh keur
ngadodoho manuk titiran. Sakadang Nyiruan henteu samar yéntitiran anu keur
didodoho ku paninggaran téh anu kungsi nulungan manéhna di pancuran tèa.
Sakadang Nyiruan tèh tuluy hiber muter-muter luhureun sirah paninggaran.
Maksudna mah ngaganggu paninggaran. Tapi, paninggaran téh jiga nu kurang
déngé.
Lantaran tarékahna teu hasil, Sakadang Nyiruan mikiran deui cara séjén. Manéhna
manggih akal, tuluy imut. Gancang nyiruan hiber cara angin, muru bitis paninggaran
nu rék ngabedil titiran téa. Celétét baé diseureud. Paninggaran téh mhagurubug,
geblug labuh.
"Sakadang Titiran, geuwat indit sing jauh!" ceuk Sakadang Nyiruan. Sakadang
Titiran karék engeuh mun manéhna keur didodoho ku paninggaran. Tuluy baé
manehna hiber ngajauhan éta tempat, bari teu poho nganuhunkeun ka Sakadang
Nyiruan.