Nitenan Lingkungan Padesaan Tepung Wates Antara jeung...

2
o Selasa 0 Rabu Kamis o Jumat OSabtu 0 Minggu 4 5 6 7 8 9 10 11 20 21 22 23 24 25 26 12 13 14 15 27 28 29 30 31 o Mar Apr 0Me; 0Jun OJulOAgs o Sep 0 Old OHov ODes Nitenan Lingkungan Padesaan Tepung Wates Antara NTf jeung Timor Leste ••• ~rn harita, pasoso- re bulan Desember taun kamari, pesa- wat Garuda turun di Bandara di Eltari, Kupang, Nusa Tenggara Timur (NIT). Panulis geuwat-geuwat kaluar tina pasawat Garuda muru ka jero Bandara Eltari ngabantun tas babawaan anu diturunkeun tina pasawat, Waktu hari- ta hawa udara bandara karasa panas ngaheab kana awak. Padahal dina waktu harita enggeus mimiti usum hujan, jeung enggeus mimiti rada remen hujan di kota Kupang, utamana dina waktu pasosore. Maklum wewengkon Kupang enggeus kakon- cara salah sahiji wilayah Indonesa anu kacida gersangna, arang hujan, jeung usum ngijihna kacida singketna. Rengse nguruskeun tas babawaan, panulis langsung ka luar ti bandara, terns asup ka mobil Avanza sewaan anu husus enggeus nunggu di lapangan parkir bandara Eltari, Kupang. Renacanana panulis arek nernskeun lalampahan saba desa, nitenan ling- kungan desa-desa tepung wates antara Nusatengga Timur (NIT) jeung Nagara Demokrasi Timor Leste, hususna di desa anu aya di Pos Pamariksaan lintas Batas Mataa'in di Desa Silawan, Kecamatan Tasifeto Timur, jeung wewengkon Pos Lintas Batas Metamauk/Motamasin, di Desa Alas Selatan, Kecamatan Kobalima Timur, Kabupaten Belu, Nusatengga Timur. Tapi, kusabab waktu harita poe enggeus rada sore. Kusabab kitu, ren- cana saba desa jalan-jalan ka tapel wates teh, moal dijugjug soreeta keneh. Tapi rencana teh arek ngendong bae 18 Ku Johan Iskandar •• heula di Kota Atambua, mangrupa ibu kota Kabupaten Belu, Nusatenggara Timur, anu jauhna ti Kupang kurang leuwih 283 km. Mobil sewaan anu ditumpangan ka panulis ngebut muru ka kota Atambua ngaliwatan jalan aspal anu baseuh ku cai hujan. Laju mobil lumaya cepet, kusabab jalana rada mulus, maklum jalan provinsi anu dilewatan masih anyar keneh diomean. Mobil ngadius ngalewatan sababara- ha kota sisijalan, saperti Kota Soejeung Kota Niki-Niki. Ampir tengah peuting, sanggeus nepuh pajalanan kira-kira jam, mobil anu ditumpangan ku pa- nulis nepi kanu dijugjugjug, Kota Atambua. Saternsna peuting eta pa- nulis milih istirahat nginep di hotel Kota Atambua, ibu kota Kabupaten Belu. Ungkungan Padesaan Tepung Wates Isukna, isuk-isuk keneh, panulis enggeus 'chek out' ti hotel, pikeun nuluyleun jalan-jalan saba desa ka wewengkon tepung wates negara Republik Indonesia jeung Negara Republik Demokrasi Timor Leste, anu aya di Pos Lintas Batas Meta- mauk/Motaa'in di lebah kaler jeung Pas lintas Batas di Metamauk/ Motamasin di lebah kidul. Nurutkeun taksiran pan- jang tepung wates wewengkon di antara Pos Lintas Batas Motaa'in jeung Pos Lintas Batas Metanauk/Motamasin kira-kira 149,9 km. Di sapanjang jalan antara Kota Atambua jeung wewengkon padesaan di Pas Lintas Batas Metamauk/ Motamasin, panulis bisa nyaksian pamandangan ciri husus lanskap ekolo- Mangle No. 2370 Kllplng Humas Un pad 2012

Transcript of Nitenan Lingkungan Padesaan Tepung Wates Antara jeung...

Page 1: Nitenan Lingkungan Padesaan Tepung Wates Antara jeung ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/04/mangle-20120419-ni... · pakarangan, kasaksiaan imah-imah penduduk ngelompok

o Selasa 0Rabu • Kamis o Jumat OSabtu 0 Minggu

4 5 6 7 8 9 10 1120 21 22 23 24 25 26

12 13 14 1527 28 29 30 31

oMar • Apr 0Me; 0Jun OJulOAgs oSep 0Old OHov ODes

Nitenan Lingkungan PadesaanTepung Wates Antara NTf jeung

Timor Leste

••• ~rn harita, pasoso-re bulan Desembertaun kamari, pesa-wat Garuda turun diBandara di Eltari,

Kupang, Nusa Tenggara Timur (NIT).Panulis geuwat-geuwat kaluar tinapasawat Garuda muru ka jero BandaraEltari ngabantun tas babawaan anuditurunkeun tina pasawat, Waktu hari-ta hawa udara bandara karasa panasngaheab kana awak. Padahal dinawaktu harita enggeus mimiti usumhujan, jeung enggeus mimiti radaremen hujan di kota Kupang, utamanadina waktu pasosore. Maklumwewengkon Kupang enggeus kakon-cara salah sahiji wilayah Indonesa anukacida gersangna, arang hujan, jeungusum ngijihna kacida singketna.

Rengse nguruskeun tas babawaan,panulis langsung ka luar ti bandara,terns asup ka mobil Avanza sewaan anuhusus enggeus nunggu di lapanganparkir bandara Eltari, Kupang.Renacanana panulis arek nernskeunlalampahan saba desa, nitenan ling-kungan desa-desa tepung wates antaraNusatengga Timur (NIT) jeung NagaraDemokrasi Timor Leste, hususna didesa anu aya di Pos Pamariksaanlintas Batas Mataa'in di Desa Silawan,Kecamatan Tasifeto Timur, jeungwewengkon Pos Lintas BatasMetamauk/Motamasin, di Desa AlasSelatan, Kecamatan Kobalima Timur,Kabupaten Belu, Nusatengga Timur.Tapi, kusabab waktu harita poeenggeus rada sore. Kusabab kitu, ren-cana saba desa jalan-jalan ka tapelwates teh, moal dijugjug soreeta keneh.Tapi rencana teh arek ngendong bae

18

Ku Johan Iskandar

••

heula di Kota Atambua, mangrupa ibukota Kabupaten Belu, NusatenggaraTimur, anu jauhna ti Kupang kurangleuwih 283 km.

Mobil sewaan anu ditumpangan kapanulis ngebut muru ka kota Atambuangaliwatan jalan aspal anu baseuh kucai hujan. Laju mobil lumaya cepet,kusabab jalana rada mulus, maklumjalan provinsi anu dilewatan masihanyar keneh diomean.

Mobil ngadius ngalewatan sababara-ha kota sisijalan, saperti Kota SoejeungKota Niki-Niki. Ampir tengah peuting,sanggeus nepuh pajalanan kira-kira 8·jam, mobil anu ditumpangan ku pa-nulis nepi kanu dijugjugjug, KotaAtambua. Saternsna peuting eta pa-nulis milih istirahat nginep di hotelKota Atambua, ibu kota KabupatenBelu.

Ungkungan PadesaanTepung WatesIsukna, isuk-isuk keneh, panulis

enggeus 'chek out' ti hotel, pikeunnuluyleun jalan-jalan saba desa kawewengkon tepung wates negaraRepublik Indonesia jeung NegaraRepublik Demokrasi Timor Leste, anuaya di Pos Lintas Batas Meta-mauk/Motaa'in di lebah kalerjeung Paslintas Batas di Metamauk/ Motamasindi lebah kidul. Nurutkeun taksiran pan-jang tepung wates wewengkon diantara Pos Lintas Batas Motaa'in jeungPos Lintas Batas Metanauk/Motamasinkira-kira 149,9km.

Di sapanjang jalan antara KotaAtambua jeung wewengkon padesaandi Pas Lintas Batas Metamauk/Motamasin, panulis bisa nyaksianpamandangan ciri husus lanskap ekolo-

Mangle No. 2370

Kllplng Humas Un pad 2012

Page 2: Nitenan Lingkungan Padesaan Tepung Wates Antara jeung ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2012/04/mangle-20120419-ni... · pakarangan, kasaksiaan imah-imah penduduk ngelompok

gi pedesaan di Kabupaten Belu.Lanskap ekologina mangrupa gunung-gunung cukup lega. Lingkungan desadisusun sababaraha komponen, diantarana lingkungan kampung-kam-pung jeung pakarangan, lahan per-tanianjeung leuweung. Salian ti eta, di-sababaraha tempat di lembah-lembahbukit age bisa disaksian wewengkonbasisir jeung laut anu kacida legana.

Di wewengkon kampung jeungpakarangan, kasaksiaan imah-imahpenduduk ngelompok di sapanjangjalan desa atawa jalan kacamatan.Wujud arsitek imah-imah warga desasawareh masih mangrupa arsitekturtradisional. Wujud imah-imah kacidahususna, wujudna buleud. Hateupimah dijeun tina daun, saperti dauneurih, lontar jeung luang. Biliknabiasana dijieun tina bahan kai kewanganu kacida kuatna, mangrupa kai saru-paning kai lontar, dibeulah-beulahsaperti gedek awi. Tapi, sababarahaimah warga desa enggeus aya age anudirombak. Cantona, bilik imah ditem-bok jeung hateupna diganti ku bahanseng.

Di sabudereun imah (umah) mang-rupa lahan pakarangan, biasanadipelakan rupa-rupa tutuwuhan, saper-ti kalapa, jambu air, kapuk, gedang,jambu monyet, asem, eau, sampeu,jeung jagong, Rupa-rupa ternak dipekarangan, biasana diabur, sapertisapi Balijeung babi. Di luar kampung,biasa kabandungan aya lahan huma(toos herwewa), anu biasa dipe1akanjagong, sampeu, hui holed, pare huma,kacang panjang, kacang hejo, jeungkacang kadele. Pepelakan lumrahnaanu dominan dina huma, utamanajagung jeung sampeu. Hal ieu kusababjagongjeung sampeu mangrupa bahanpangan pokok pikeun urang padesaantapel wates Kabupaten Belu,Nusatengga Timur, Jadi, beas atawasangu mah ngan saukur pangan tarn-bahan warga desa. Ngangarap lahanhuma biasana digawean dina awalmusim hujan, nyaeta dina bulanDesember atawa Januari. Usum hujanbiasana ngan saukur 3-4 bulan. Jadi, caikacida weritna di padesaan KabupatenBelu. Salian ti huma, di luar kampungoge bisa disaksian aya lahan kebon(toos). Dina lahan-lahan kehon biasanadipelakan kakayon jeung bubuahan,saperti muncang, kalapa, jambumonyet,jeungjati. Biasana lahan-lahanhuma jeung kebon sakurilingna

Mangle No. 2370

dipager, ngagunakeun pager awi,kakayon atawa dicampur jeung pagerhirup, saperti tangkal turi, peuteuyselongJlamtoro, jeung gamal. Pagerjeung tatangkalan pager penting uta-mana pikeun ngaiaga supaya ternak-ternak penduduk, saperti sapi Bali,hen-teu ngaranjah ka kebon-kebon jeunghuma. Salian ti eta, tatangkalan pagerkacida pentingna ogepikeun pakan ter-nak, panyubur taneuh, jeung pikeunadaptasi kana lingkungan gersangdarurat cai. Cantona dina usum halodo,warga desa biasa nutuhan lamtorojeung turi, pikeun nyumponan pakantemak jeung ngurangan nguapna cailewat tutuwuhan (evapotransfirasi) tinataneuh kusabab weritna cai. Di luarkebon, oge biasa aya leuweung (ailaran) cukup luas. Leuweung biasanadipelakan ku rupa-rupa tatangkalan,saperti jati, mahoni, asam, kemiri,jeung gamal.

Pemandangan desa liana anu matakngundang daya tarik pikeun urang luar,nyaeta bisa dititenan lapangan jukut(sabana) anu lega, pacampur jeung ru-rungkunan, diselang-seling ku tangkaIlontar laluhur saperti ngajul langit.Tartgkal-tangkallontar biasana disadapdimangfaatkeun lahangna pikeunminuman tuak atawa diolah dijieungula lontar, tangkaIjeung dauna pikeunbahan imah. Salian ti eta, di pasisianleuweung di watesan sakurilingna kupepelakan, saperti lamtotoro, gamal,jeung saliara. Di bagian handap pagu-nungan, di kaki-kaki bukit age, ayabasisir jeung lautan ngaplak luas, cainawarna biru, di sisi basisirna rempegpinuh ku tatangkalan kalapa.

Husus di basisir Atapupu aya hiji pa-labuan anu cukup gede, tempatngahongkar muat barang asa1Surabayaatawa barang-barang hasil tani kaluar tiKabupaten Belu. Salian ti eta, disababaraha desa tepung wates, age ayapasar-pasar tradisional, anu bukanadina poe-poe husus. Cantona di pasardesaAtapupu anu biasa buka poe saptu.Di pasar desa bisa dijual sagala rupabahan sembako anu biasa dijual kupara padagang ti kota Atambua. Pasardesa age jadi tempat penting pikeunwarga desa ngajual rupa-rupa hasil tani,saperti sayur mayur, buah jambe,jagong, sampeu, jeung rupa-rupa lauksegar ti laut. Kusabab kitu, sabenemapamarentah pusat jeung daerah henteukudu susah-susah ngawangun pasar-pasar modem di tepung wates anu rada

anggang ti kampung jeung biaya mil-iaran rupiah, mendingan biaya etadigunakeun bae pikeun ngarenovasiatawa nguatkeun pasar-pasar tradi-sional anu enggeus aya di desa-desaperbatasan ti baheula keneh. Buktinapasar modern anu diwangun kupamarentah mah anu aya di pintu ger-bang perbatasan di Metamaukf Mota-a'in henteu ieuh dimangfaatkeun kuwarga desa, jadi mubazir bae.

'Jalan Tikus'Rengse nitenan lingkunga:n sapan-

jang jalan desa di wewengkon tepungwates, panulis andjag ka Pintu GerbangPas Pemeriksaan Lintas Batas Motaa'indi lebah kaler anu saterusna ngajugjugka Pintu Gerbang Pos PemeriksaanLintas Batas di Motamasin di lebahkidul. Di wewengkon tepung wates,hususna di Motaa'in, enggeus diwan-gun sababaraha fasilitas panujang fisikcukup lengkep, saperti gapura pintugerbang, gedung Pas Pemeriksaan Lin-tas Batas, bea cukai, imigrasi, karantinakesehatan, karantina hewan, karantinaikan, satgas Penanganan Perbatasan(PAMTAS) Polri dan TNI, tempatparkir, ruang kesehatan, pasar jeungsajabana. Dina danget ieu, kuayanakaputusan politik aya wates permanen,satiap warga ti wewengkon Indonesialewat ka wewengkon negara TimorLeste atawa sabalikna, kudu boga pas-por jeung visa anu waragna mahal.Balukama hubungan kaluarga di antarawarga desa di tepung wates jadi putus.Padahal sabenema warga lokal ditepung wates teh, mangrupa saetnikjeung ngabogaan basa anu sarua, ma1ahloba anu sabaraya jeung saduluran.Kusabab kitu, secara kemanusiaan,nasib maranehna kacida pikarunyaeun,marga lantarana hubungan duduluranmaranehna jadi putus, kujalaran ayawates nagara atawa wates politik.Padahal maranehna kacida butuhhubungan silaturtahmi satiap waktu,utama lamun aya hajatan di antarakalaurga maranehna, Kusabab kitu,henteu matak heran lamun loba wargadesa di tepung wates kadua negara,biasa maok-maok norobos wates,melintas batas secara 'illegal', ngali-watan )alan-jalan tikus', anu jadisarana jalan pikeun sating silaturahmidi antara maranehna.***

*)Dosen Ekologi Mcmusiajewtg Panaltmgtik Unpad

19