Keorganisasian - Damas
-
Upload
irwan-setiawan -
Category
Documents
-
view
225 -
download
0
Transcript of Keorganisasian - Damas
-
7/23/2019 Keorganisasian - Damas
1/3
1
Nyaluyukeun Titik Inditan
Ku: Irwan Setiawan Hujan Poyan (2004) Pangurus Puseur Damas XVI
Asupna hiji anggota anyar ka hiji pakumpulan atawa organisasi mawa motif anu bda-bda.
Damas salaku organisasi ekstra kampus anu tiap taun muka panarimaan anggota anyar, geus pasti
nu daptar jadi anggota leuwih pohara motifna. Aya nu boga motif hayang bisa tari, bisa karawitan,
diajar penelitian dina widang budaya, nya kitu og diajar organisasina. Hal lian nu bisa jadi catetan
nyata Temptus mutantur, et nos mutamur in illid. Waktu tutuluyan robah, nya kitu og sajalan jeung
ta manusa ngilu robah. Kitu paribasa latin kuno anu ayeuna geus katingali aktualitasna. Budaya
Damas terus robah. Nalika budaya ta robah bisa jadi dina prakna bakal ngagsr teu sajalan jeung
titik inditan, sanajan alus og. Nalika tiap-tiap pangurus nyieun pola-pola anyar anu alesanna
ninggalkeun hal-hal anu arkais, pross pencarian/ proses pemikiran baru bisa jadi ta kalah nyieun
wanda anyar anu justru jauh tina wanda Damas sanyana. Anu awalna pikeun mancing sikep kritis ti
wadya balad atawa nyieun pola Damas sajalan jeung jaman tapi kalah jadi mngpar tina udagan.
Proses pencarian naon anu kudu ditang? Ciri khas? Da teu kudu di tang, pan ngadegna Damas g
geus boga titik inditan atawa kasang tukang. Anu leuwih had nyata nyieun titik inditan Damas nu
geus aya bias leuwih jembar ku pamikiran-pamikiran pikeun kamekaran organisasi.
Pikeun anggota Damas diajar kasenian Sunda atawa ulubiung ngaheuyeuk organisasimangrupa hiji fase anu pasti diliwatan. Tapi fase ta teu nyieun anggotana jadi tuluy ngulibek di
dinya. Meureun mun jadi ahli ta mah bonus tina kadariaanana. Damas teu ngawangun anggotana
pikeun jadi seniman atawa parigel dina tari, karawitan atawa jadi pemikir. Kasenian ngan saukur jadi
media pross pengenalan og cukang lantaran pikeun ngenalkeun nilai-nilai budaya Sunda.
Ngaliwatan kasenian saterusna bisa mr kamandang oge aksi pikeun ngadukung kabudayaan
Indonesia og nanjeurkeun budaya Sunda.
Sanggeus asup Damas tuluy jadi bisa parigel dina cumarita, karawitan, og ngongkolakeun
organisasi ta mah bisa disebut kauntungan anu transaksional. Lian ti ta asupna (jadi anggota) ka
Damas bisa jadi jalan pikeun nanjeurkeun budaya Sunda anu kadituna deui mikanyaah kana lemah
cai. Saluyu jeung kekecapan dina Naskah Sanghyang SiksakandaNg Karesian anu unina Ngretakeun
Bumi Lamba Di Bumi Tan Parknu hartina Ngaraharjakeun kahirupan di dunya anu lega. Ku jalan
asup Damas tuluy diajar materi-materi kasenian jeung budayana oge neuleuman kana indigenous or
local knowledge, saeutikna boga kasadaran pikeun ngaraharjakeun kahirupan di dunya.
Anu kudu disaluyukeun th nyata titik inditan anu di jerona aya motif-motif personal.
Saluyuna titik inditan wadya balad jeung Damas-na sorangan salaku lembaga kudu jadi titik inditan
babarengan. Hal-hal anu sifatna transaksional mah kudu di katukangkeun heula sabab ta mah keur
soranganeun. Tari, karawitan, panalungtikan oge diajar organisasi mah geus pasti kaliwatan ku
wadya balad Damas da ta mah geus usaha Dewan Pangurus pikeun ngokolakeun organisasi anu
sifatna ka jero.
-
7/23/2019 Keorganisasian - Damas
2/3
2
Dina Mukodimah Ugeran Dasar Daya Mahasiswa Sunda dijelaskeun titik inditan Damas anu
kudu disaluyukeun ka diri urang sorangan anu boga kahayang jadi anggota Damas. Di handap ieu
dijntrkeun eusi Mukodimah Ugeran Dasar Daya Mahasiswa Sunda, (1) Yakin sarta karasa yn
kajembaran hiji bangsa bisa brh kaciri tina budi, akal sarta panemu masarakatna. (2) Yakin sarta
karasa yn jembarna bangsa Indonsia nyata dina Pancasila salaku Dasar Nagara. (3) Boga
pamadegan yn harkat darajat urang Sunda kudu jadi tanggung jawab urang Sunda sorangan dinanmbongkeun wibawa sunda pikeun ulubiung ngaheuyeuk kajembaran bangsa Indonsia. (4) Pikeun
ngaraksa, ngariksa sarta ngaluhurkeun jeung mekar jeung jembarna budi sarta daya akal panemu
urang Sunda diperlukeun beungkeutan jiwa sarta kahayang. (5) Para Mahasiswa Sunda, anu
mangrupa sabagian sarta heunteu bisa leupas ti masyarakat, sawajibna kudu milu tanggung jawab
kana mekarna masyarakat Sunda sajeroeun boh saluareun lingkunganana. (6) Kukituna diadegkeun
hiji Paguyuban Mahasiswa Sunda anu mak Ugeran Dasar nu kaunggel di handap ieu. Lian ti ta
dicskeun og Dina Bab III Ugeran Dasar Daya Mahasiswa Sunda pasal 7 yn Damas miboga Tujuan
(1) Ngangkat Harkat Darajat Ki Sunda pikeun kajembaran Indonsia. (2) Kahontalna masyarakat
Gemah Ripah Rph Rapih anu di pirido ku Gusti Nu Maha Suci. (3) Nanjeurna kapribadian Sunda
pikeun jenglngna kapribadian Indonsia. Nu pamungkas (4) Jembarna kabudayaan Sunda dina
wangunan kabudayaan Indonsia. Jelas pisan titik inditan anu kudu disaluyukeun ku anggota Daya
mahasiswa Sunda.
Naha kudu disaluyukeun titik inditan? Saluyuna titik inditan bakal nyieun hampang
kasorangna usaha-usaha anu dipikahayang. Lian ti ta Damas lembaga anu miboga sistem anu geus
maneuh. Sapamadeganna atawa saluyuna titik inditan wadya balad moal ngarusak ka Damas salaku
Lembaga. Jadi rk bisa atawa teu bisa dina karawitan, jeung lianna ari titik inditanna geus
sapamadegan mah moal jadi pacngkadan. Anu antukna bakal loba hal-hal lain anu bisa digali lian ti
hal-hal anu transaksional.
Kumaha carana nyumponan tujuan anu jadi titik inditan Damas?. Damas boga suluk lmu
Luhung Kasakti Diri. Sakuringeun mah suluk ta nu jadi peso bedah pikeun ngahontal tujuan
Damas. Ku miboga lmu anu luhung bakal jadi kakuatan pikeun diri sorangan dina ngahontal udagan
diri sorangan og udagan Damas. Ku lmu anu luhung, usaha-usaha Damas saperti miara ajn KiSunda og Nalungtik, ngaraksa, ngariksa, jeung mekarkeun kabudayaan Sunda bisa dihontal.
Nu bisa dijadikeun ukuran dina saluyuna titik inditan urang jeung Damas nyata mikanyaah
ka rahayat, ngarumat lemah cai, jeung rumawat kana budaya Sunda. Upama ta masih kasebutna
abstrak bisa diturunkeun deui dina polah sapopo. Mikanyaah rahayat teu kudu urang jadi lanceuk
asuh atawa barang bre ka tatangga, ku urang silaturahmi tuluy mr nyaho nalika batur salah geus
bisa disebut mikanyaah ka rahayat. Ngarumat lemah cai bisa dilarapkeun og dina hal-hal sapopo.
Nalika ningali keran cai di masigit atawa selang cai di jalan anu muka tuluy ku urang dibenerkeun tageus kaitung ngarumat lemah cai. Atawa minimalna teu miceun sampah jeung puntung roko di mana
wa geus kasebut ngarumat lemah cai. Nya kitu og rumawat budaya Sunda bisa dilarapkeun
sapopo jiga ku ngaapresiasi pagelaran-pagelaran kasenian atawa ngadangukeun lalaguan Sunda
-
7/23/2019 Keorganisasian - Damas
3/3
3
geus bisa kasebut rumawat kana budaya. Dina ngajalanan hal-hal kasebut kudu dibarengan ku ikhlas,
resep, daria, jeung konsisten.
Intisari dina hirup kumbuh organisasi nyata diajar maca jeung ngamaknaan lingkungan (ego,
sinergi). Damas bisa jadi jalan dina npakeun kasadaran personal pikeun kasadaran kolektif. Lian ti
ta Damas jadi tempat pikeun ngajaga moralitas, og tempat ngukur kualitas diri nu bisa dihontal
nalika aya pencapaian kasaimbangan dina pemikiran, tekad ucap, langkah dan moralitas.Cag.
Wasta : Irwan Setiawan
E-mail : [email protected]
Paguron Luhur : a. Jurusan Sastra Sunda, Fakultas Sastra,
UNPAD
b. Program Magister Kajian Budaya, Fakultas
Ilmu Budaya, UNPAD