Bi Antara

17
KLIPING BIANTARA JEUNG PAGUNEMAN Ku : Deri Harismaya SMA NEGERI 1 BANTARUJEG

description

BIANTARA JEUNG PAGUNEMAN

Transcript of Bi Antara

Page 1: Bi Antara

KLIPING

BIANTARA JEUNG PAGUNEMAN

Ku :

Deri Harismaya

SMA NEGERI 1 BANTARUJEG

2015

Page 2: Bi Antara

BIANTARA

1. Biantara Ngeunaan “Internet”

Assalamualaikum.wr.wb

Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang

panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta

hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.

Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu

parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna

“Pangaruh Internet Ka Rumaja”Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan

biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta

diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.Internet, kecap anu teu

asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan

koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di

unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa

internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku

urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak

kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca.

Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di

jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu.

Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung

kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah

gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana

kriminalitas atanapi asusila.Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta

:Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar –

gambar, atawa video – video anu teu sawajarnaKacanduan gim online nepikeun ka poho kana

sagalaBisa katipu tina iklan – iklan di internetTapi aya oge segi positifna :

Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing

ngaregepkeun guru nerangkeunBisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsbRumaja

nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun

anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak

ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.Sakitu wae biantara ti

simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.

Wassalamualaikum wr.wb

Page 3: Bi Antara

2. Biantara Ngeunaan “Ngamumule Kandaga Budaya Sunda”

Assalamualaikum Wr.Wb.

Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan

kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh

oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang

dugi ka maroke seueur pisan seni budaya.

Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda. Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade

bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule kandaga Budaya Sunda”.

Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi

kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan

make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy

bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal

aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia.

Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor,

jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami

ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag,

dig, dug jreng.., bress…, hebat euy. Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang,

ngerelikna sora suling kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate

sumanambah kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari

ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI,

ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang

mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise,

heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.

Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, gareuhal teu keuna kana undak usukna

basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang. Urang Jepang bisa

nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong hariwang kang Darso

ge bisa hirup senang.

Wassalamualaikum Wr.Wb.

Page 4: Bi Antara

3. Biantara Ngeunaan “Lingkungan”

Assalamuallaikum...Wr..Wb

Bapak-bapak kalih Ibu-ibu anu ku sim kuring di pihormat , Langkung ti payun mangga urang

panjatken puji ka gusti anu maha suci, puja kagungan anu maha kawasa, syukur kagungan

Allah nu maha gofur. Salawat sareng salam mugi-mugi di kucurkeun ka jungjunan urang

sadaya Nabi Muhammad Rosulullah S.A.W. atuh teu hilap urang sadaya anu janten umatna

mugia kenging rahmat sareng safaat ti manten-na jaga di yaomil akhir “Amin Yarobal

Alamain”.

Ibu-ibu, wargi hadirin sadayana. Ku ngalangkungan ieu acara Alhamdulillah urang tiasa

kempel ngariung pa teuteup wajah di ieu tempat mugi kenging ridho Allah Swt. “Amin

Yarobal Alamain”.

Wargi hadirin sadayana, sim kuring utusan ti darma wanita kecamatan Bantarujeg, panginten

urang moal wanoh pami teu wawala, moal apal pami teu patepang. Naon atuh anu bade di

carioskeun teh? Teu aya sanes seja nutur jalur carita lingkungan nu aya di sabudeuren

wewengkon sim kuring nyaeta kacamatan Bantarujeg.

Wargi hadirin sadayana ; upami ku urang di titenan hiji-hiji nikmat ti Allah Swt. Tangtos

moal ka etang anu pantes sareng payus ku urang di tafakuran sareng di syukuri.

Syukur dina istilah Islam,

Syukur nyaeta urang tumarima wireh sadaya nikmat ti Allah Swt sareng urang tiasa

ngalaksanakeun sadaya kawajiban anu di parentahkeun ku Allah Swt sareng ninggallkeun

naon-naon anu di larang ku Allah Swt.Hirup sareng kahirupan urang aya dina hiji lingkungan

ieu  teh mangrupakeun anugrah ti Allah Swt sapertos sim kuring hirup di lingkungan

kecamatan Bantarujeg hiji kacamatan anu tebih tina karamean, lingkungan nu teu kinten tebih

tina kasampurnaan naon anu dipiharep ku pamarentah jaman kiwari, Bantarujeg anu disebat

desa-desana aya di pagunungan ti desa ka desa jalan naek turun anu jumlah sadayana 13 desa.

Rupina Bantarujeg kadua paling ujung anu kalebet kabupaten majalengka, tiap para padamel

anu di tugaskeun ka bantarujeg sok nyebatkeun di buang, padahal anu tos ngalaman hirup di

lingkunga Bantarujeg sadayana oge sok ngaraos nyaman sareng betah.

Tapi sok sanaos tebih ti kota kabupaten, Alhamdulillah di lingkungan Bantarujeg aya salah

sahiji sumber daya alam mangrupa batu anu tiasa di reka-reka warna-warni bentukna sareng

tiasa di manfaatken kanggo kaperyogian masyarakat Bantarujeg khususna. Salain ti eta tiasa

Page 5: Bi Antara

oge di kintun kasetiap pelosok-pelosok bahkan dugikeun ka aya anu tos tiasa di ekspor ka

luar negeri.

Sagedengeun ti eta aya deui hiji batu anu kacida gedena tur matak resep ningalina, upami

saur bahasa Indonesia-mah di sebatnateh “gunung yang tidak berbaju”  nyaeta gunung buligir

namina, anu legana kinten-kinten sahektar, tah ieu teh hiji gunung anu tiasa di anggo rekreasi

ku masyarakat ti setiap pelosok, salain ti eta sok biasa oge di anggo taman rekreasi ku

murang kalih sakola upami nuju liburan sakolana, katambih deui ku masyarakat anu ti luar

kabupaten Majalengka, padahal eta gunung mung sakadar gunung tanpa aya wahana anu di

jieun ku jalma estuning dadamelan Allah Swt. Sok kitu deui upami masyarakat lingkungan

bantarujeg tiasa ngarawat ka eta tempat rekreasi panginten tiasa nambahan kana panghasilan

masyarakat desa Silihwangi. Mung panginten kanggo ningkatkeun sumber daya alam eta teh

kedah meryogikeun modal, ieu nu janten implengan warga masyarakat atanapi lingkungan

Bantarujeg.

Bu, ayeunamah lingkungan Bantarujeg teh teu kakantun-kantun teuing, boh tina so’al

pendidikan, ekonomi, sosial. Margi satiap lingkungan tos aya sumber daya alam kanggo

ningkatkeun hirup jeung kahirupan masyarakat.Rupina sakitu anu tiasa kapihatur caritra

ligkungan di sabudeureun kacamatan Bantarujeg, kirang sareng langkungna neda di tawakuf

anu saageung-ageungna.

Billahi taufik walhidayah, Wassallamualaikum warahmatullah wabarokatuh.

4. Biantara Ngeunaan “Pendidikan”

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi

washohbihi azma’in. Amma ba’du,

Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring. Teu kakantun hadirin anu

dimulyakeun ku Alloh SWT.

Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil

‘alamin wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin

kanggo ngadugikeun biantara. Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka

panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat

sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amin ya robbal ‘alamin.

Page 6: Bi Antara

Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT. Neda widi ka sadayana, dina

ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu

ayeuna nuju dilaksanakeun. Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara

ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia

anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna.

Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.

Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti

kawit dibabarkeun dugi ka maot. Sakumaha pidawun Rosululloh SAW “ Tolabul ‘ilmi

faridotun ‘ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi.” Naging nu dimaksad

program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih

anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.

Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT. Ieu program pamarentah moal

tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat, utamina ti para

sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun. Mugi-mugi ku cara rempug

jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat

ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.

Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna

urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya

Robbal ‘alamin.

Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng

tetakrama, mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.

Wassalamu’alaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

5. Biantara Ngeunaan “Kabersihan”

Assalamualaikum Wr. Wb.

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas X nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos

maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah

urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha

pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga

Page 7: Bi Antara

lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu,

urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak,

meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun

runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina

sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di

sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci

sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang

entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb.

Page 8: Bi Antara

PAGUNEMAN

Conto paguneman :

1. HUT Bandung

Desi: Neng, dupi ari di kampung Eneng pami HUT Bandung sok aya lomba-lomba tara?

Eneng: osok, mung tara sarame dinu sanesna, da nu ngiringanna tara seueuran.

Desi: naha? teu rarame panginten lomba-lombana?

Eneng: ah da nu ngaramekeun mah pamaenna rek sakumaha teu rame lombana ge Des.

Panginten teu level ngiringan nu karitu teh.

Desi: muhunnya da pidunya we orang kota mah. Tapi ari saur abdi mah, ngeusi acara HUT

Bandung teh mending ku sholawatan sasarengan, maos yasin sasarengan, ngadu'a sasarengan,

teras merogramkeun ngarencanakeun Bandung ka hareupna sangkan leuwih alus.

Eneng: muhun ogenya daripada ku hura-hura teu puguh mah, duit hambur, Alloh teu suka,

lingkungan bala, alah satuju pisan Des abdi mah.

2. Nyeri Mata

Pasien     : Dokter, kuring gering mata… unggal nginum kopi pasti kumat.

Dokter     : Ah euweuh hubunganna ngopi jeung gering mata

Pasien     : Ih Dokter, tempo ieu mata mani beureum!

Dokter     : Eh enya…. Beureum pisan siga urut ditonjok…

Kabeneran di meja dokter aya kopi sagelas

Dokter     : Cikan praktekeun kumaha nginum kopi teh !

Pasien ngagoak tarik .. tapi tetep nginum kopi dokter nepika beak… saat jeung hampas-

hampasna.

Dokter     : Teundeun heula sendokna ulah diantepkeun na gelas, pantesan nyeri mata kacolok

ieu mah!!!

3. Rek Diajar Internet

Agus    :  Gin, tos bérés pr BASA Sunda ngadamel kliping téh?

Gigin    :  Acan. Hésé milarina, Gus. Mangkaning anu dikliping-

keun téh saur Pa Anda kedah berita anu eusina informasi

wisata di Bogor. Ari Agus kumaha, atos?

Agus    :  Tos bérés Agus mah tikamari gé.

Page 9: Bi Antara

Gigin    :  Ti mana Agus kénging koranna?

Agus    :  Seueur atuh koran mah, Gin. Tiasa milari ka réréncangan

anu langganan koran atawa ngiring moto kopi ka perpus-

takaan.

Gigin    :  Éh, enya nya.

Agus    :  Tapi teu gampil milari dina koran ogé. Kan saur Pa An-

da kedah berita tentang tempat wisata, barang karajinan,

kasenian, atawa kadaharan has Bogor. Tah, dina koran

téh sesah milarianana sakapeung mah. Tapi aya anu

gampil, Gin?

Gigin    :  Dina naon?

Agus     :  Dina internét! Yu geura, ayeuna Gigin diajak ka warnét

ku Agus, urang diajar online dina internét.

Gigin    :  Ah, ah teu tiasa Gigin mah muka internétna ogé. Jaba

kedah mayar meureunan.

Agus     :  Enya, ku Agus disarengan, ngarah Gigin tiasa. Engké di-

papatahan, kedah kumaha, kedah mencét naon. Mayarna

mah da mirah, mung Rp 3.000,- per jam.

Gigin    :  Cenah urang kedah gaduh heula alamat e-mail pami ba-

dé muka internét téh. Enya kitu, Gus?

Agus     :  Teu kedah, ari urangna moal ngintun berita atawa surat

ka batur mah.

Gigin    :  Oh, kitu nya. Ari éta informasi wisata Bogor tos aya

dina internét kitu?

Agus     :  Aya nanaon ogé! Togé Gebro ogé tos lebet kana

internét.

Gigin    :  Carana kumaha pami urang hoyong milari informasi

wisata Bogor kitu téh?

Agus     :  Nya engké di warnét diwartosan. Urang engké lebet

heula ka website Yahoo ata MSN. Upami tos muka,

dina kolom search urang kantun ngetik ‘alamat’ anu

dipilari, upamina: http://www.bogor.indo.netid atawa

http://members.tripod.com/bogor_lama/istana/htm.

Page 10: Bi Antara

tiasa ogé milarina dina Google.

Gigin    :  Hayu atuh. Gigin teu sabar yeuh, hoyong geura tiasa

muka internét! Engké bari rék diajar chating téa nya,

Gus? Assiiiik….!

4. Kaleungitan Duit

Barbara: Jessicaa naha Anjeun kasampak kitu hanjelu?

Jesicca: Kuring ngabogaan sawatara masalah Barbara.

Barbara: Naon anu Lumangsung jeung Anjeun Jes?

Jessica: Kuring pohara bingung Alatan duit kuring leungit.

Barbara: Naon? Naha Anjeun serius? Sarta iraha?

Jesicca: Kamari.Kuring sieun pikeun nyarita kalawan ibu kuring ngeunaan hal éta.

Barbara: Jesicca, lamun Anjeun ngabogaan sawatara masalah Anjeun kudu nyarita kulawarga

Anjeun

Jesicca: Enya, tapi kalawan saha? Ayahku henteu di imah kuring.

Barbara: Nurutkeun pamadegan kuring, Anjeun kudu nyarita kalawan ibumu, sarta Anjeun ku

du nyarita ngeunaan masalah Anjeun. Ibumu baris mengerti jeung Anjeun.

Jesicca: Naha Anjeun mikir kitu?

Barbara: Baruk enya, ulah sieun Jesicca, Kabéhanana alus.

Jesicca: Hemzz,, ok, kuring baris nyarita jeung Ibu.

Terimakasih kuring pikeun bongbolongan Anjeun Barbara.

Barbara: Hatur nuhun Jesicca henteu hanjelu deui ok,,

5. Nyeri Huntu

Ijem : sok ngaku akang… tadi akang jeung saha jalan2 di alun2 ?

Cepot :irahaaa ?

Ijem : tadi basa Ijem ngaliwat ka alun2... nempo akang paduduaan jeung hiji awewe !!

Cepot : ooooh..... lain sasaha Jem… eta mah babaturan biasa….

Ijem : tong sok ngabohong !! maenya jeung babaturan meni silih cekelan leungeun.. ngaku

akang geus boga salingkuhannya ? ngakuuuu !!

Cepot : eu..eu.. (gugup)

Ijem : (ngaragap dadana) kang mun bener akang geus salingkuh Ijem teh... syaakiiit...

Page 11: Bi Antara

syaaakiiiiit.... syaakiiiiit.... syakitnya tuh disini... dina jero dada... syakitnya tuh disini.. akang

geus salingkuh.. syakitnya tuh disini.. (nepakan dada).... ningali akang geus wani kituuuuu....

hiks.. hiks...

Cepot : hampura akang Jem... akang iseng kamanehna teh aya alesanana...

Ijem : hiks.. hiks... naon alesanana ?

Cepot : Ijem mah tiap akang rek ngajak jalan2, sok nolak wae... 1000 alesana teh... senin

selasa alesanya kerja... rabu kamis les privat waktunya... jumaah saptu sampai minggu... ko

masih nggak mauuu.... 

Ijem : (ngajorowok)... aaaargg bebi aku ingin putus aw !! bebi aku jemu denganmu... aw....

bete bete ah... basi basi basi lo... pokona mah putuuuus !!

Cepot (ngahuleung) : nya mun kitu mah..... semua terserah padamu aku begini adanya...

kuhormati kepuuutuuusanmu apapun yg akan kau lakukan.... 

Ijem : mana nyeri.... nyeri.... nyeri teuing, nyeri hate geus ditampelarkeun teu benang

diubaran... sok serahkeun talak tilu sakalian !!!

Cepot : nya mun kitu mah... tarimakeun jadi randa... akang pasrah jadi duda... da geuning

kieu buk... “plak!!” wadooow !!! (bari ngarampaan kana tarangna anu buncunur aya nu

maledog ku kelom.. rek ngareret ka palebah lawang panto kamar kasampak ki Semar keur

nulak cangkeng bari tipopolotot)

Semar : gandeeeeng siah gurandiiiil !!!.... nyaho dewek teh keur nyeri huntu.... deur halaka

sing ceuleuweung..... haduuuuh hallllah..... (ngarampa pipi)... syakiiiitnya tuh disini...

hanjiiiiiig

Cepot jeung Ijem silih reret bari olohok “haaaaaaaaar ituh.....”