Pribahasa Sunda

12
Pribahasa sunda Hubungan Dengan Sesama Mahluk Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya). Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent). Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada) Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun). Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya ) Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi). Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga) Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu, memfitnah). Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama) Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense) Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions,… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah). Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).

description

mengandung nilai-nilai luhur budaya sunda

Transcript of Pribahasa Sunda

Page 1: Pribahasa Sunda

Pribahasa sunda

Hubungan Dengan Sesama Mahluk

Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek  (kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).

Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).

Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya )

Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).

Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)

Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu, memfitnah).

Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama)

Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense)

Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions,… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).

Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).

Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).

Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).

Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).

Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)

Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).

Page 2: Pribahasa Sunda

Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).

Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).

Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).

Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).

Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).

Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).

Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).

Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).

Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha Kuasa)

Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).

Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).

Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat )

Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).

Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).

Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)

Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).

Hubungan Dengan Alam

Page 3: Pribahasa Sunda

Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).

Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).

Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).

Page 4: Pribahasa Sunda

1. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan

2. Neangan luang tipapada urang

3. Ulah nyaliksik ku buuk leutik

4. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina

5. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian

6. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok

7. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang

8. Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina

9. Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.

10. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman

11. Sabar teh lain  Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.

12. Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.

13. Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.

14. Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.

15. Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?

16. Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.

17. Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang

18. Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh

19. Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina

20. Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati

21. Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan

22. Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip,

Page 5: Pribahasa Sunda

ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa

23. Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea

24. Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.

25. Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti

26. Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung

27. Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa

28. Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na

29. Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.

30. Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.

31. Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang

32. Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake

33. Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat

34. Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan

35. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur

36. Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada

37. Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari

38. Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel

39. Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan

40. Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna

Page 6: Pribahasa Sunda

41. Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub

42. Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu

43. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah

44. Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati

45. Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.

46. Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut

47. Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan

48. Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan

49. Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah

50. Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah

Banda tatalang ragaKakayaanmah pikeun ngabagjakeun awak, kusabab kitu leuwih hade ngorbankeun banda tibatan cilaka awak.

Bentik curuk balas nunjuknganbisa marentah atawa nitah hungkul , heunteu prak di pigawe kusorangan.

Murag bulu bitisteu resep cicing di imah , hayang nyanyabaan atawa udar ider bae.

Sabobot sapihanean sabata sarimbanganHirup akur , runtut- raut , sakasuka sakaduka.

Di Babuk lalaydi perekpek kupanenggel , diteunggelan

Hambur bacot , Murah CongcotBabari nyarekan , tapi berehan

Aya Bagja teu daulatRek menang bagja teu tulus

Page 7: Pribahasa Sunda

Unggah ka bale WatanganKatarik perkara

Caang bulan dadamaranMigawe hal anu teu di perlukeun deui

Cicing dina sihung maungHirup atawa kumawula ka gegeden , sok milu kaajenan batur

Nyium bari ngegelMuji bari ngarah pamere

Cadu mungkuk haram dempakMinangka sumpah moal daek ngelehan maneh

Gurat caiTeupuguh janjina , sokrobah tangtungan

Ciri sabumi cara sa desaadat kabiasaan di unggal nagara atawa daerah beda - beda

Geus turun amis CauGeus tembong kawanitaannana , geus mangkat beger.

Nyengeut damar di suhunannembongkeun kabengharan ku mere maweh ka dengeun-dengeun ngarah pamuji , ari ka keluarga sorangan koret .

Di bere sabuku menta sajeungkal , di bere sajeungkal menta sadeupaKusabab di bere hate ,ngadadak loba pamenta

Hate jelema sanajan deet moal kakobetkacida hesena sangkan nganyahokeun kaayaan hate atawa kahayang hiji jalma

Pait daging pahang tulangCageur, teukeuna ku panyakit naon bae.

Ngadago-dago dawuhTereh maot, ngadagoan panyaur pangeran

Jual dedetNgajual barang satengah maksa

Page 8: Pribahasa Sunda

Beak dengkakGeus beak tarekah

Kawas hayam keur endoganteu daek cicing lantaran hate kawer atawa geus teu sabar ngadagoan anu di arep-arep

Elmu tumbilaNuboba imah ngarugikeun ka tamu

Cara embeembung mandi , sabab sieun ku cai

Nyieun pucuk ti girangnyiun jalan pipaseaeun

Mobok manggih gorowongKabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju

Goong nabeh manehMuji atawa ngagulkeun diri sorangan

Nyoo GadoNgaheureuykeun jalma nu pantes dihormat

Galak timburuBabari timburuan

Leutik-leutik ngagalatikJelema leutik tapi wanian

Halodo sataun lantis ku hujan sakaliKahadean nu sakitu lilana lengit ku kagorengan sakali

Herang caina beunang lauknaHasil maksud kalawan teu ngaganggu ka batur

Hampang biritDaekan di titah

Handap asordaek ngahormat kabatur

Harewos Bojongngomong nu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu di harewoskeun

Page 9: Pribahasa Sunda

Haseum budileuwih loba baed jeung cemberut tibatan seuri atawa marahmay.

Indung lembu bapak bantengTurunan gagah beunghar , turunan menak ti indung ti bapak

Ipis biwirepes meer , babari ceurik

Jadi sabiwir hijijadi omong ( carita ) sarerea.

Kaciwit kulit kabawa dagingkabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah

Kajeun panas tonggong , asal tiis beuteungkajeun teuing cape digawe , asal bisa dahar kalawan cukup

1. Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri manehteh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.

2. Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun.

3. Sing Waspada permana tinggal.

4. Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula kaalaman,

ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)

Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir,

dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.

Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun

Page 10: Pribahasa Sunda

Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)

Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)

Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.

Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa

Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.

Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.

Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling

Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.

Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.

Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.

Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.

Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?

Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.

Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.

Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.

Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.

Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi

Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan

Neangan luang tipapada urang

Ulah nyaliksik ku buuk leutik

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina

Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok

Page 11: Pribahasa Sunda

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang

Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina

Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.

Miindung ka waktu, mibapa ka zaman