Nganalisis Novel

2
NGANALISIS NOVEL Judul : Kembang-kembang petingan Pangarang : Holisoh M.E. Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama Taun Terbit : 2002 Citakan ka I : Rajab 1423 H./Oktober 2002 II : Ramadhan 1432 H./Agustus 2011 Jumlah kaca : 188 kaca Pangaos : ± Rp. 30.000 Eusi buku : Novel Kaleuwihan : - Ngagunakeun basa nu bisa dipikaharti ku saha waé, -Eusi caritana nyaritakeun sisi lain kahirupan nu dianggep goréng ku masarakat, -Ukuran tulisanana pas, -Sinopsis dina sampulna bisa numbuhkeun kahayang nu maca keur maca novel ieu. Kakurangan : - Tungtung caritana ngagantung, - Eusi caritana teu pas keur babacaan budak umur 17 taun ka handap, -Sampul hareupna kurang narik minat nu rék maca, -Loba kekecapan anu diulang-ulang. Ringkesan : Salakina Enok salingkuh jeung ungkluk. Kusabab kitu, Enok mending milih papisah jeung salakina éta. Lila-kalilaan, Enok milarian pagawean keur maraban kulawarga jeung dua budakna nu keur laleutik kénéh. Pék téh aya tatanggana, Entat, nu ngajak digawé ka kota. Nepi di kota, Enok dibawa ka Si Mamih keur dijadikeun “kembang petingan”. Di dinya Enok ganti ngaran jadi Tita. Ngaku ka kolot na mah digawé di toko. Éta katerangan téh

Transcript of Nganalisis Novel

Page 1: Nganalisis Novel

NGANALISIS NOVELJudul : Kembang-kembang petingan

Pangarang : Holisoh M.E.

Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama

Taun Terbit : 2002

Citakan ka I : Rajab 1423 H./Oktober 2002

II : Ramadhan 1432 H./Agustus 2011

Jumlah kaca : 188 kaca

Pangaos : ± Rp. 30.000

Eusi buku : Novel

Kaleuwihan : - Ngagunakeun basa nu bisa dipikaharti ku saha waé,- Eusi caritana nyaritakeun sisi lain kahirupan nu dianggep goréng ku

masarakat,- Ukuran tulisanana pas,- Sinopsis dina sampulna bisa numbuhkeun kahayang nu maca keur maca

novel ieu.

Kakurangan : - Tungtung caritana ngagantung,- Eusi caritana teu pas keur babacaan budak umur 17 taun ka handap,- Sampul hareupna kurang narik minat nu rék maca,- Loba kekecapan anu diulang-ulang.

Ringkesan : Salakina Enok salingkuh jeung ungkluk. Kusabab kitu, Enok mending milih papisah jeung salakina éta. Lila-kalilaan, Enok milarian pagawean keur maraban kulawarga jeung dua budakna nu keur laleutik kénéh. Pék téh aya tatanggana, Entat, nu ngajak digawé ka kota. Nepi di kota, Enok dibawa ka Si Mamih keur dijadikeun “kembang petingan”. Di dinya Enok ganti ngaran jadi Tita. Ngaku ka kolot na mah digawé di toko. Éta katerangan téh dipercaya, nepi ka aya Mang Hanapi nyaéta bapana Ipah babaturan Enok basa di éSDé, anu ngajakan Enok kaluar ti dinya sarta jadi simpenan manéhna. Tapi kahayang Mang Hanapi éta téh ditolak sabab Enok mah mbung dijadikeun simpenan. Jigana éta sababna nu matak mang Hanapi téh ngabéjaan kolotna Enok ngeunaan pagawéan Enok di kota. Basa balik ka lembur, ku kolotna teu ditanya-tanya acan jeung babawaanana teu ditarima. Ngan kabeneran henteu lila sabadana Kang Handi, langganan Enok, ngajak Enok kawin sanajan dicandung. Tapi, tungtungna mah Enok kapanggih ku pamajikan kahijina Kang Handi.