mc sunda

6
BAHASAN MC minangka kecap wancahan tina (Master of Ceremony), nu hartina jalma nu dibéré pancén minangka “pamanggul acara”, nu ngadalikeun acara, nu ngatur acara atawa pamingpin acara. Kalungguhan MC teu bina ti pribumi (host) hiji acara atawa hiji kagiatan/pintonan. Pancén MC ngumumkeun susunan acara jeungngawanohkeun saha-saha waé nu rek midang ngeusi éta acara sarta nu nangkes sarta nu mastikeun yén éta acara baris lumangsung kalawan lancer jeung sukses luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun. A. Pancén Master of Ceremony/Pamanggul Acara: 1. Nyusun acara nu hade bari koordinasi jeung pihak panitia 2. Muka jeung nutup acara 3. Ngajamin yén acara lumangsung kalawan lancar jeung sukses; 4. Mingpin jeung ngatur jalanna acara; 5. Ngawanohkeun panyatur/nu ngeusi acara; 6. Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna jalmajalma petingan; B. Teknik/Kamampuh nu kudu aya di diri MC (Master of Ceremony) a. Teknik Nyarita Minangka komunikator, saurang pamanggul acara (MC) kudu ngawasa hiji kamampuh naon-naon nu diucapkeunan matak ngirut ati jeung dipikaharti ku balarea. Éta kamampuh téh nu sok disebut teknik nyarita. Aya 5 hal nu kudu diperhatikeun ku MC dina keur cacarita: 1. Phrasing (randegan kalimah); 2. Intonasi (lentong kalimah, luhur handap, tarik halonna sora); 3. Stressing (neueulkeun dina kekecapan nu tangtu) 4. Reading speed (guluyur jeung gancang kendorna maca); 5. Pause (ngarandeg) Ku merhatikeun phrasing (randegan dina kalimah) urang bisa ngatur lebah mana urang kudu ngarandeg sangkan bisa ngahontal harti nu saéstu, nepi ka nu

description

bahasa sunda mc

Transcript of mc sunda

Page 1: mc sunda

BAHASAN

MC minangka kecap wancahan tina (Master of Ceremony), nu hartina jalma nu

dibéré pancén minangka “pamanggul acara”, nu ngadalikeun acara, nu ngatur

acara atawa pamingpin acara. Kalungguhan MC teu bina ti pribumi (host) hiji

acara atawa hiji kagiatan/pintonan. Pancén MC ngumumkeun susunan acara

jeungngawanohkeun saha-saha waé nu rek midang ngeusi éta acara sarta nu

nangkes sarta nu mastikeun yén éta acara baris lumangsung kalawan lancer jeung

sukses luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.

A. Pancén Master of Ceremony/Pamanggul Acara:

1. Nyusun acara nu hade bari koordinasi jeung pihak panitia

2. Muka jeung nutup acara

3. Ngajamin yén acara lumangsung kalawan lancar jeung sukses;

4. Mingpin jeung ngatur jalanna acara;

5. Ngawanohkeun panyatur/nu ngeusi acara;

6. Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna jalmajalma petingan;

B. Teknik/Kamampuh nu kudu aya di diri MC (Master of Ceremony)

a. Teknik Nyarita

Minangka komunikator, saurang pamanggul acara (MC) kudu ngawasa hiji

kamampuh naon-naon nu diucapkeunan matak ngirut ati jeung dipikaharti ku

balarea. Éta kamampuh téh nu sok disebut teknik nyarita. Aya 5 hal nu kudu

diperhatikeun ku MC dina keur cacarita:

1. Phrasing (randegan kalimah);

2. Intonasi (lentong kalimah, luhur handap, tarik halonna sora);

3. Stressing (neueulkeun dina kekecapan nu tangtu)

4. Reading speed (guluyur jeung gancang kendorna maca);

5. Pause (ngarandeg)

Ku merhatikeun phrasing (randegan dina kalimah) urang bisa ngatur lebah mana

urang kudu ngarandeg sangkan bisa ngahontal harti nu saéstu, nepi ka nu

Page 2: mc sunda

ngadengkeun ngarti naon nu diomongkeun/dicaritakeun ku MC. Éta randegan téh

tangtu baé raket patalina jeung lentong kalimah, luhur handap jeung tarik halonna

sora tur ngajanggelek jadi gaya nyarita nu wajar. Ari stressing mah umumna

neueul kana volume sora nu digunakeun pikeun nandeskeun hiji hal sangkan

leuwih beda. Reading speed, nyaéta lebah MC macakeun hiji teks nu kudu

diluyukeun jeung situasi rohangan, sangakn naon nu dibacana bisa didéngé ku

balaréa kalawan jéntré, pangpangna pikeun nyingkahan kacalétot létah.

Para ahli komunikasi netepkeun aturan baku keur gancangna maca antara 110/120

kecap per menit. MC ogé perlu ngalaksanakeun pause atawa ngarandeg

pangpangna pikeun ngontrol kalimah saterusna, jeung méré kasempétan ka

balarea naha ngarti atawa paham kana naon nu geus diucapkeunana. Kaweruh

jeung luang hiji pamanggu acara (MC) kana kaayaan/situasi forumna baris

mantuan pikeun nyaluyukeun dirina boh dina hal penampilan (performance)

dirina, body language, boh basa nu digunakeunana. Salian ti éta, kaweruh kana

kaayaan forum téh bakal ngurangan rasa minder (under confidence).

C. Teknik Performa jeung Gesture

1. Ngalakukeun eye contact : museurkeun paningal ka audience jeung ka

sakuriling rohangan, pencrong/teuteup mata audience;

2. Ngalakukeun gerakan leungeun/isarah/sikep nu alami, spontan (teu

dijieun-jieun), teu ragu-ragu, luyu jeung kalimah nu diucapkeun,

lakukeun stressing dinapoint penting;

3. Gerakan awak ngawngku pasemon, gerakan leungeun, suku, leungeun,

taktak, baham atawa biwir, sirah, awak;

4. Ulah ngalampahkeun gerakan anu monoton saperti ngaramesan ramo

leungeun,

5. Ulah ngalampahkeun gerakan anu teu ngarojong naon anu jadi jejer

caritaan upaman ngarampaan kerah baju, gegetret,

ngomekeun microphone, jsté;

6. Ucapkeunn unggal kalimah bari imut, nepi ka sora nu dihasilkeun

minangkasmillng voice;

Page 3: mc sunda

7. Dipahing nyieun joke (bojegan) tapi nu ngabojegna seuseurian sorangan;

8. Lamun ngasongkeun joke béré hancengan keur méré masempetan

ka audiencepikeun seuri.

D. Tatahar nu bisa dilakukeun waktu jadi Pamanggul Acara

1. Rileks, pastikeun yén kondisi awak jeung sora aya dina kaayaan fit.

Lamun ngarasa geumpeur tarik napas sing panjang jeung sing jero,

ngagerakeun awak keur sakadar ngaleuleuskeun otot nu kaku;

2. Know The Room (ngawasa rohangan tempat nu baris menjadi Pembawa

Acara);

3. Know The Audience (apal kana karakteristik tamu jeung teuteup

maranehna salaku sobat);

4. Know The Material (ngawasa bahan/materi acara);

5. Baca literatur nu diperlukeun pikeun ngarojong pangaweruh urang, sabab

mingkin loba hal nu dipikanyaho ngeunaan acara nu disanghareupan,

tangtu bakal nimbulkeun rasa percaya diri;

6. Susun pointer pikeun ngingetan naon nu bakal diucapkeun;

7. Ulah mindeng teuing sanduk-sanduk menta maap ka audience;

8. Ulah ninggalkeun daftar acara atawa rundown acara (najan geus aya stage

manager);

9. Gunakeun pakéan anu luyu jeung acara, ulah nepi ka salah kostum.

(Usahakeun MC mah kudu

Nganalisis Teks

Sabada urang niténan teks ka-1 nu eusina mangrupa pok-pokan Panata Acara

(MC). Tetela pok-pokan Panata Acara téh aya sasaruaanana jeung runtuyan

babagian biantara, nyaéta aya bagian: bubuka, eusi jeung aya bagian panutup.

Malah kalimah-kalimah nu dipakena ogé méh sarua jeung pok-pokan biantara,

upamana bae: muji sukur ka Nu Maha Kawasa katut nepikeun solawat ka

Kangjeng Nabi, ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu tos ngaluuhan éta acara,

ngadadarkeun saniskara maksud jeung tujuan (eusi biantara) sarta ditutup ku

Page 4: mc sunda

sanduk-sanduk. Ngan anu ngabedakeunana, ari dina biantara mah caritaan (nu

dilisankeunana) téh gembleng ti mimiti bubuka, eusi jeung panutup. Nu biantara

mah tonggoy baé nepikeun biantara ti awal nepi ka tamatna, sedengkeun ari

panata acara (MC) ku lantaran purah ngatur lumangsungna acara, caritaanana

henteu kebat saperti biantara. Ari MC mah pancenna nyageranan (ngatur) waktu

jeung ngahaturanan saha bae nu rek cacarita atawa midangkeun pintonan. Ku

sabab kitu, pok-pokan MC mah tara papanjangan, cukup ku: bubuka nu eusina

muji sukur, nataan guluyurna acara, ditéma ku ngahaturanan, nganuhunkeun jeung

méré komentaran (saperluna). Geura titénan ieu conto teks omongan MC di luhur

tadi!

Bubuka:

Mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu

parantos ngamparkeun ni’mat ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat

Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa

ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet.

Nataan Susunan Acara:

Sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi

ieu. Anu kahiji nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-

rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewarA

sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta

rupi-rupi kamonésan nu dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara

Do’a.

Ngahaturanan:

Sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka

para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem

panitia.

Nganuhunkeun:

Page 5: mc sunda

a. Atuh teu hilap, ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana

sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung

kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna.

b. Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupirupi

kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa kama’lum ku

sadayana.

Mungkas acara:

Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim

kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya

kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana

Page 6: mc sunda

TUGAS

BASA SUNDA

Disusun ku :

Elisa

Beti Rahmawati

Ardi Sopandi

Ilham Saepul Rijal

Idris Pitra Derisman

MADRASAH ALIYAH NUR-ROHMAN

SUKABUMI TAHUN 2015