Bi Antara

download Bi Antara

of 10

description

biantara puisi

Transcript of Bi Antara

Biantara Hari IbuAssalamu'alaikum, Wr WbIbu-ibu, saderek sadayana anu ku sim kuring dimulyakeun.Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun pujisareng syukur ka hadirat Allah SWT, nu parantos ngalimpahkeun rahmatNa, sahingga dina dinteun ieu para Ibu sareng saderek sadayana parantod tiasa nyokongan waktos nunda mangsa tina kasibukan rumah tanggana kanggo ngahadiran pertemuan ieu.

Dina dinten ieu, tanggal 22 Desember ngarupikeun hiji dinten anu ngandung sajarah pikeun para wanita khususna kamu Ibu Indonesia. Ari lahirna hari Ibueta dina hakekatna sami sareng tujuan Sumpah Pemuda, nyaeta ngagalang persatuan jengg kesatuan Bangsa. Ku sabab kitu lahirna oge sababaraha bulan saparantos na lahirna sumpah pemuda, nyaeta tanggal 22 Desember 1928. Ku ayana kongres anu diayakeun dina tanggal 22 dugi ka 25 Desember 1928 di Yogyakarta, para wanita Indonesia ngagaduhan tekad ngahijikeun diri dina hiji wadah, dina harti hiji kasatuan anu bulued nyaeta warnita Indonesia. Anu mana samamehna masih paburencay dina kelompok masing-masing di saban daerah. Masalah eta anu ngarupakeun awal timbulna gagasan pamarentah pikeun netapkeun tanggal 22 Desember eta sebagi Hari Ibu.

Memang hari Ibu ieu ngagaduhan kacenderungan ngeunaaan masalah-masalah anu aya sangkut pautna sareng dunya kaibuan, dimana Ibu ngarupakeun ibu ti para putrana di lebet kulawarga sareng Ibu di kalangan masyarakatna. Dupi kawajiban ibu salaku di kulwargana, nyaeta ngagaduhan tanggung jawab pikeun nhadidik jeng ngabina para putrana sarta ngurus jeung ngatur rumah tanggana sangkan kahontal rumah tangga anu harmonis di lingkungan kulawargana.

Sajabi ti eta kawajiban Ibu sabagi Ibu ti masyarakatna, nyaeta ngabina, masihan pangarahan ka para remaja, sangkan henteu gampil lacandak arus kamorosotan moral anu mana dina saat ieu keur ngalanda para remaja dina umumna. Kalayan harepan sangkan engke maranehna tiasa jadi pribadi-pribadi anu tanggung jawab diwaktu nu bakal datang piekuen ngabela Bangsa katut nagarana.

Dina ngayakeun peringetan atawa mieling Hari Ibu ayeuna, urang salaku kaum Ibu kacida pentingna pikeun ngilu ulubiung dinapangwangunan Nasional, sabagi pembina moral kader-kader tunas bangsa anu ngarupikeun generasi panerus jeung pewaris cita-cita luhur Proklamasi Kamerdekaan bangsa Indonesia. Kaum ibu sawadina usaha sakuat-kuatna pikeun jadi ibu pangwangunan, ngabina moral para remaja. Sakuduna jadi Ibu teladan picontoeun kaum kaum remaja dina nangtukeun nasib Bangsa jeng nagara anu saterasna.

Para saderek sadayana mung sakieu sambutan simkuring dina raraga mieling Hari Ibu, nu mudah-mudahan kaum ibu jadi peolopor dina sagala widang pangwangunan.

Biantara Hari PahlawanAssalamualaikum wr. Wb.SampurasunNepangkeun, sim kuring Diw Nurul Anisah. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,Sateuacanna, mangga urang sasarengan, manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Suci, anu parantos maparin nimat ka urang sadayana, dugi ka tiasa kempel ngariung dina ieu kasempetan. Solawat sinareng salam, mugia salamina ngocor ngagolontor ka kersana Jungjunan urang sadayana, nabi Muhammad, saw. Ka kulawargina, ka para sohabatna, tur dugi ka urang sadayana salaku umatna. Amin.....ya robbalalaminHadirin sadayana anu ku sim kuring dipihormat,Dina kahirupan sapopo, urang tangtu mindeng nguping tur ngucapkeun kecap pahlawan. Naon ari nu dimaksud pahlawan th? Pahlawan nyata jalma anu ged jasana keur kahirupan balara. Jalma anu ihlas ngorbankeun jiwa ragana pikeun kapentingan sarra. Pahlawan th jalma anu bisa dijadikeun inspirasi keur kamajuan sarra. Dina jaman perjuangan. Mangrbu-rbu jalma palastra dina pangperangan ngalawan bangsa penjajah pikeun mertahankeun nagara Indonsia. Tapi, ayeuna, sabada nagara urang merdika, saha atuh anu disebut pahlawan th? Grup band, boy band, atawa saha? Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,Bangsa urang ayeuna mikabutuh figur-figur pahlawan. Nu ihlas pikeun singkil soson-soson bajuang keur kamajuan balara. Nya di antarana nyata. Guru. Sok sanajan ibu-bapa guru henteu mamanggul senjata pikeun bajoang, ibu-bapa guru dipiwanoh salaku pahlawan bangsa. Pahlawan tanpa tanda jasa. Ibu-bapa guru ageung pisan jasa-jasana pikeun ngadidik kamajuan masarakat Indonsia. Di sakola, guru ngajarkeun urang rupa-rupa lmu pangaweruh, sangkan urang jadi siswa anu solh tur solhah, saimang antara iptk jeung imtakna, sangkan bisa jadi generasi anu bisa ngaronjatkeun kamajuan bangsa jeung nagara Indonesia.Tapi, lamun ku urang diperhatikeun, kahirupan generasi ngora jaman ayeuna, asa pikahariwangeun. Mana kapahlawanan jeung nasionalismena geus dijajah ku rupa-rupa pangaruh ngatif. Saperti nyandu kana narkoba, minuman keras, roko, gng motor, tawuran, pergaulan bbas jeung sajabana. Ieu hal ku urang kudu dijauhan. Hadirin sadayana anu ku sim kuring dipihormat,Hal-hal ngatif anu ku sim kuring ditataan di luhur, tangtu ba kudu ditangan solusina. Pikeun bisa ngahindar tina ajn-ajn ngatif pergaulan th di antara milu ilubiung sacara aktif dina kagiatan kstrakulikulr di sakola. Urang bisa milih kskul anu luyu jeung bakat tur minat urang. Ku cara kitu, urang bisa nuyun diri sorangan pikeun ngalarapkeun ajn inajn kapahlawanan dina kahirupan sapopo. Hadirin sadayana anu ku sim kuring dipihormat,Kacindekan tina ieu biantara nyata, lamun urang acan bisa jadi pahlawan keur balara, urang bisa ngamimitian jadi pahlawan keur diri urang sorangan. Hal ieu bisa dilakukeun ku cara, jadi anak anu solh keur kulawarga urang, jadi siswa anu bageur keur sakola urang, jauhan narkoba, roko, obat-obatan nu teu halal, jeung hal-hal sjnna nu bisa ngaruksak kana kahirupan diri sorangan, kulawarga jeung masarakat.Wassalamualaikum wr. Wb

Contoh pidato bahasa sunda perpisahanAssalamualaikum wr. WbAsshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama baduTipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat walafiat.Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

Biantara 17 AgustusanAssalamualaikum.wr.wbBapak kapala sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu dipikahormat sareng hadirin tamu uleman nu ku simkuring dipikahormat saderek sadaya anu ku simkuring dipikacinta.Puji syukur urang sanggakeun ka tuhan nu maha esa anu geus ngalimpahkeun rahmat na ka urang sadaya jeung urang tiasa kumpul didieu dina kaayaan sehat walafiat.Hadirin anu salinggihPikeun nyambut HUT kemerdekaan indonesia anu ka-69 pendidikan anu tos aya salama ieu, hayu urang tingkatkeun pelajaran anu leuwih bermutu sareng pangajaran atawa pangarahan ti guru anu propesional sarta pangarahan sareng perhatian ti orang tua.Hadirin anu salinggihSlain ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuan atawa pahlawan anu geus mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara uarang nyaeta negara nega indonesia, sareng jasa-jasa guru anu geus ngabimbing urang, ngajarkeun urang sadaya pikeun urang tiasa jadi penerus bangsa anu alus atawa pikeun berguna ka bangsa jeung nagara.Hadirin anu salinggihKirana teu kenging deui aya perpecahan sarta permusuhan, pembunuhan , sareng seueur deui kajadian anu sanesna. Mudah-mudahan jeung samangat 45 urang ngabangun nagara ku sifat anu sayang-menyayangi, saling ngahormatkeun , tolong-menolong, pikeun terjalina kaharmonisan saperti nu urang harapkeun, pikeun jadi nagara anu sejahtera.Ku kituna hayu urang sukseskeun reformasi gelombang ka-2 pikeun terwujudna kahirupan berbangsa nu makin sejahtera, demokratis, sareng berkeadilan.Hadirin anu salinggihRupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.Wasslamualaikim.wr.wb

MIELING HARI SUMPAH PAMUDA

Para saderek sadaya nu sabangsa jeung sanagara.

Pidato Bahasa Sunda | Ngesian Kamerdekaan assalamualaikum wr. wb.

kapayuneun bapak kepala sekolah anu ku sim kuring di pihormat,kapayuneun para bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormatoge teu hilap k para rerencangan siswa-siswi smun 1 sukabumi anu di mulyakeun ku alloh.

alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65.

peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan.

ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa indonesia di zaman anu bakal datang.

sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat.

rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang -kirang ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.

Assalamualaikum Wr. WbDina sajarah perjuangan bangsa urang sadaya uninga, ten dina tanggal 28 Oktober 1928 sadaya pemuda Indonesia ngahiji, lantaran kadorong ku hate sanubarina anu suci murni sahingga ngarasa sanasib sapananggungan. Sahingga dina Kongres Pamuda tanggal 28 Oktober 1928 ngalahirkeun sumpah satia anu luhur ti para pamuda bangsa Indonesia, anu saterusna dikenal sabagi hari Sumpah Pamuda.Kumargi eta satiap tanggal 28 Oktober , sadaya bangsa Indonesia mieling kana ayana hari Sumpah Pamuda, sapertos anu nuju dilaksanakeun ku urang ayeuna.Ku ayana mieling hari sumpah pamuda ieu mangga urang sambut ku tasyakkur kahadirat illahi rabi. Anu mudah-mudahan Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan anu salamina. Urang parantos maklum yen dina tanggal 28 Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji bahasa. Dimana samemehna kakuatan pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan, sapertos halna Yong Yava, Yong Sumatera, Yong Selebes, Yong Ambon jeung sajabana.Kulantaran ngarasa sanasib, mangka kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung kesatuan Nasional.Berkah ayana kasadaran persatuan jeung kasatuan eta anu ngarupakeun kakuatan utama kana ngahontalna kemerdekaan dna tanggal 17 Agustus 1945 sabagi pintu gerbang anu kahiji pikeun ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anumerdeka jeung berdaulat.Ku ngayakeun paringetan Supah pamuda ieu hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di antarana nagmalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928.Urang bangsa Indonesia khususna para pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara. Sabage pamuda ulah putus pangharepan, pantang mundur upama cita-citana tacan laksana sarta kudu jadi pamuda anu iman tur taqwa ka Allah SWT. Pamuda salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir jeung batin di antara sasamana.Dina salahsahiji katerangan disaurkeun kieu :Dina leungeun pamuda aya tangguna jawab sagala urusan kahirupan, jeung kahirupan hiji bangsa gumantung kana maju atawa mundurna pamuda di eta nagara.Berkahna tina hasil perjuangan rakyat jeung pamuda Indonesia, kiwari kudu di buktikeun ku jalan ningkatkeun pangwangunan dina sagala bidang pikeun kabagjaan jeung kasajahteraan urang sadaya, boh di dunia atawa di akherat engke.Akhirna sabagi penutup sambutan ti simkuring ieu, hayu urang babarengan ngahiji dina hiji kasatuan pikeun nangtungkeun jeung mertahankeun falsafah Pancasila jeung UUD 1945, sabagi falsafah jeung pandangan hirup bangsa. Sarta mudah-mudahan khususna para pamuda bangsa sing jadi pamuda panerus jeung pencetus sagala ide anu hade demi pikeun ngahontal cita-cita jeung harepan urang sadayana.Mudah-mudahan Allah SWT salamina ngalimpahkeun rahmat sareng kasalametan ka para pamuda bangsa jeung nagara Indonesia. Amin!!!Wassalamualaikum Wr. Wb

Kabersihan Sakola

Assalamualaikum Wr.WbBismillahirohmaanirrohin

Bapak kepala sekolah, bapak, ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerencangan anu ku simkuring dimulyakeun.

Puji sinareng syukur urang sanggahkeun ka gusti Allah nu maha suci, margi urang sadaya tiasa kempel dina ieu acara. Sholawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan alam kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan dugi ka para sohabatna, para tabiin tug dugi ka urang sadayana anu nganut ka mantenna.

Bapak Ibu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji hal anu peryogi ku urang diperhatoskeun, naon margina? Kabersihan ieu ngarupikeun hiji konci kahirupan urang di alam dunya. Dimana urang bisa ngarawat kabersihan lingkungan sakola atanapi lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. lamun dina hadistna nyaeta: Anu hartina: kabersihan teh mangrupa bagean tina kaimanan.

Ku kituna kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sakola. Lingkungan sakola bisa beresih lamun urang bisa ngajagana. Ku kituna kabersihan sakola kudu dipiara kalawan sae. insyaalloh urang sadayana anu nempatan ieu tempat bakal sehat, tebih tina panyakit anu datang tina kotorna lingkungan.Sakitu wae ti simkuring mugia aya manfaatna khususna ka simkuring umumna ka urang sadaya. hapunten bilih aya kalepatan sareng kakirangan.

wabillahi taufik wal hidayahwassalammualaikum Wr. Wb