Bi Antara

download Bi Antara

of 1

description

biantara

Transcript of Bi Antara

BIANTARAPENTINGNA DIAJAR BASA SUNDABismillahirrahmanirrahimAssalamu'alaikum wr.wb.Alhamdulillah wasyukurillah,sadaya puji ka agungna Allah,anu parantos masihan kasempetan ka urang sadaya kanggo ngariung di tempat ieu.Solawat sareng salam mugia dilimpahkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW,sareng kulawargina,ka sohabatna,katut muslimin sareng muslimat sadayana.Hadirin anu dipihormat.Sateuacanna,abdi didieu teh bade ngadugikeun biantara tentang "Pentingna diajar Basa Sunda",tapi abdi teh asa aneh,naha abdi nu urang Sunda,lahir di Bandung,Indung bapa ge da sarua urang Sunda,tapi naha masih keneh diajar Basa Sunda,mun urang Batak mah pan teu aneh lamun diajar Basa Sunda nya? Bener teu?Tapi sanajan kitu,urang teh kedah tiasa ngomong Basa Sunda nu sae tur merenah,da isin atuh ai urang Sunda teu tiasa ngomong Basa Sundamah,Abdi ge ngarasa can lancar ngomong Basa Sunda,matakna ti SD nepi ka ayeuna da teu bosen diajar Basa Sunda teh,bosen teu? matakna,urang kedah getol diajar Basa Sunda teh,tong saukur di sakola wungkul,dibumi ge kedah diajar Basa Sunda,meh peunteun Basa Sunda na kenging sararae.Peunteun Basa Sunda abdi pas di rapot SMP mah lumayan sae,meunang peunteun 90,abdi padanyebat pinter Basa Sunda,sangkilang abdi teh asa can lancar nganggo Basa Sunda,ari ulangan mah saleresna teu hese,asal getol ngapalkeun pasti tiasa,cenah hoyong ngabanggakeun orang tua,nusa,bangsa dan agama,tapi ari teu aya usaha sareng bukti mah atuh sarua keneh jeung boong nya? matakna,hayu urang diajar Basa Sunda,meh tiasa ngabanggakeun orang tua,nusa,bangsa dan agama tea.Hadirin anu mulya.Mung sakitu wae biantara ti abdi,hatur nuhun ka sadaya anu tos kersa ngupingkeun biantara abdi,hapunteun bilih seueur kalepatan,da sadaya kasaean mah eta datangna ti gusti Allah jeung kalepetan eta datangna ti abdi,mugi-mugi ieu biantara abdi teh tiasa di Aplikasikeun ka kahirupan sapopoe,sareng aya mangpaatna,hususna kanggo abdi sorangan.Wabilahitaufik wal hidayahWassalamu'alaikum wr.wb.Sumber:http://mofznrhz.blogspot.co.id/2014/08/pengertian-dan-contoh-biantara-basa.html