76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

73
Top of Form Carita Pantun Bogor - Ngahiyangna Pajajaran / Pajajaran Seren Papan Pun ! Sapun ! Ka Pupunclak Agung Pamunjung Anu Agung Sang Rumuhun Hiyang Guru Agung Pangruhum Anu Nunggal di Kalanggengan Anu Langgeung dina Nunggalna Anu Ngabogaan Sakabeh Alam Anu Ngabogaan Sakabeh Jagat Paralun ! Sapun ! Ka sakur anu diluhur Ka Guru Hiyang Nunggal Ka Dewa nyangking Kawening Ka Dewa ngagem Wewenang Ka Dewa nunggal Kawasa Ka sakabeh Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga Dina wujud sewing-sewangan Nu ngagelar, nu ngarumpay Nu narangtung, nu ngagantung Nu ngagulung, nu narangkub Nu nangkarak, ku ngarambat Ka sakabeh Nu kadeuleu teu karasa Nu kaambeu teu kadeuleu Teu kadeuleu tapi aya .... Ka sakabeh Nu ngaredag, nu lumampah Harirup jadi pangeusi Nyaricingna jagat ieu, alam ieu Paralun Sabab kaula eundeuk nyatur Nyatur pantun nu buhun Haneuleum tunda karuhun Hanjuaneun anu marapay .... ! Paralun Matak kaula Ku sabab Pajajaran dijieun carita Tapi disilok Ku anu sarieun Dipajarkeun mumuja Dewa Jeung direka dirarobah Dijarijieun-jieun

Transcript of 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Page 1: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Top of Form

Carita Pantun Bogor - Ngahiyangna Pajajaran / Pajajaran Seren Papan

Pun ! Sapun !Ka Pupunclak Agung PamunjungAnu Agung Sang RumuhunHiyang Guru Agung PangruhumAnu Nunggal di KalanggenganAnu Langgeung dina NunggalnaAnu Ngabogaan Sakabeh AlamAnu Ngabogaan Sakabeh Jagat

Paralun ! Sapun !Ka sakur anu diluhurKa Guru Hiyang NunggalKa Dewa nyangking KaweningKa Dewa ngagem WewenangKa Dewa nunggal Kawasa

Ka sakabehNu kumelip, nu arusik, nu ngawararugaDina wujud sewing-sewanganNu ngagelar, nu ngarumpayNu narangtung, nu ngagantungNu ngagulung, nu narangkubNu nangkarak, ku ngarambatKa sakabehNu kadeuleu teu karasaNu kaambeu teu kadeuleuTeu kadeuleu tapi aya ....Ka sakabehNu ngaredag, nu lumampahHarirup jadi pangeusiNyaricingna jagat ieu, alam ieu

ParalunSabab kaula eundeuk nyaturNyatur pantun nu buhunHaneuleum tunda karuhunHanjuaneun anu marapay .... !

ParalunMatak kaulaKu sababPajajaran dijieun caritaTapi disilokKu anu sarieunDipajarkeun mumuja DewaJeung direka dirarobahDijarijieun-jieunKa nu gariruk .... !Jeung ku sababKaula nyahoEngke jagaBaris datang deui jelemaLoba menak loba pangkatHarayang diaraku deuiRawayan ti Pajajaran

Page 2: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Paralun ....Paralun !JinIblisSetan markayanganIpriOnomDedemitJeung jurig nyiliwuri !Rampes nun !Lalinggih !Ulah arobah tina silaUlah arusik tina calik !Bandungan dina jajaranJajaran darekan karuhunSebab kaulaEundeuk jajararkeun caritaCaritaTi baheula PajajaranNgajajarkeun jeujeur sajatiNu asalnaLain beunang ngareka-rekaTapiDi geularkeun ku karuhunKana hate nu rancage Hate saha ?Hate SundaNu sundana dina daniNu danina dina hirupNu hirupna sagala samarNu samarna ngalaman deuiNgalaman jaman cara baheulaBoga Raja heunteu sulaya

Paralun !Bandungan !Urang kocapkeun !Kocapkeun !Di nagara PajajaranLain Pajajaran nu kiwari !Pajajaran geh anu baheula !Nu jadi Raja ?Gagah sakti kaliwat sakingNya DiaAnu ngarana Prabu SiliwangiAri anakna ?Lobana tili kali salaweDa boanganBiangna gehSaratus punjul satengah !Tunda !Urang nyaritakeun hiji anak inyanaNu sakti ngala ka akiNu gagah ngala ka bapaAri ngarana ?Ki Hiyang Santang Aria Cakrabuana !Euweuh pantar

Page 3: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Euweuh tanding !Nyarita inyana ka si LengserUwa uwa !Ngaing the ayeuna mahCukup elmu jeung pangweruh !Tapi hate ngaing heunteu betah jasa !SababGeus lila euweuh teunggeulaneunGeus lila euweuh sepakeunEuweuh sanagaraEuweuh musuh ngajak rusuh !Kumaha lawan theNgan tinggal sia bae uwa ?Kuamaha amin ngaing nyaba jauhNyiar lawan di nagara deungeun ?

Ceuk si LengserUlah aden ulah !Ceuk ki SantangKu nahaeun diulah-ulah ?Ceuk si LengeserSabab amun aden miang ka buana luarKa nagara nyabrang lautanEngke dimana aden mulangPajajaran the ngan kari ngaran !Tapi dasar peuteukeuhTeu beunang diulah - ulahNya miang inyana ka nagara sabrang lautan !

Tunda !Top of Form

Urang lajeung ...

Paralun 

Keun Ki Santang sina nyabrang !Kocapkeun ayeuna di karaton !Karaton mana ?Karaton PajajaranKaraton Pajajaran geh nu baheula !Nu kiwari geus euweuh urut-urutna acan !Datang cenah hiji utusanMawa surat tilu gembolan !Ceuk RajaLengser !Ceuk si LengserKe heula !Ceuk RajaKunahaeun make keheula ?Ceuk si LengserBisi tutung !Pais bakatulDeuk nyuguhan semah !Ceuk RajaHeu'euhBeusi tutung !Balikuen

Page 4: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Laju dia ka dieuPariksa ku dia eta utusan !Ceuk si LengserWah !Teu mudu dipariksa deuiKula mah nenjo jelemaSarua jeunh neuleu manggis !Nyaho ti cupatNyaho di eusiIrung kitu mahGeus tangtu moal nyalahan deuiDicicingna sagede lelejingDimotahna bisa sagede honjePanjangna bisa sa asta leuwih !Ceuk RajaLain jelema !Suratna ku dia pariksa

Laju si Lengser mariksa suratLobana tilu gembolan !Mariksa ...Mariksa ...LilanaTilo poe tilu peuting !Awahing ku tunduhJeung loba teuing surat nu di pariksaSi Lengser jadi nundutanNundutan bari ngelay !Lay layLaaaaaaaaay !Lay keuna suratLay keuna bajuLay keuna mata ucingNu ngaringkuk dina tumpukan surat !Laaaay...lay...lay...laaaaaaaaay !

Ceuk RajaTeuin !Da kula mahApan teu bisa maca !Ceuk si LengserKadieukeun !Tah eta,Nu aya gambarab bentang eujeung bulan !Dorolong Raja maca suratMaca barian edegDa ngarana geh Raja !Bunclik !Molotot ......Mani sagede - gede kenongDa ngarana geh mata Raja !

Ceuk RajaE eh, e eh !Ngomongna bari tetenjragTetenjrag datang ka eundeurBrong breng brangSora ti dapurTetenong ragag ti pago

Page 5: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Da ngarana ge tetenjrag Raja !

Ceuk RajaLengser !Ceuk si LengserSumuhun dawuh !Ngomongna barian nyembahNgan nyembahna bari peureum !Awahing ku tunduh !Ceuk raja bari tetenjragBrong bring brangSora ti dapurBareok pagoRungkad hau....Da ngarana geh tetenjrag Raja !Ceuk RajaLengser !Ieu surat dijempolanKu Raja sebrang kulon !GeuningBet ngajak rusuh !Ceuk si LengserBebetkeun baeee !Maenya Raja eleh ku surat !Si Lengser ngomong bari nyembahNyembah barian tukusrukAwahing ku tunduhDeuleu !Ceuk Raja bari tetenjragBorobot dapurna runtuh !Da ngarana geh tetenjrag Raja !Deuleu !Ceuk dina suratNgaing kudu di sundatan !Mun teu nurutPajajaran baris dipagangCeuk si LengserUlah Gusti !Ulah daek disundatan !Beusi disapatkeun !Kara ngajak perang mahLawan baeeeeeee.....!Si Lengser ngomongna bari nyembahNyembah na bari ngaringkukAwahing ku tunduhAmbek Raja kabina-binaMatana mani molototMolotot bubucelikanCara keuyeup ngadeuleu keukeuk !Raja tetenjrag deuiNenjrag deui, nenjrag deui !Mani eundeur sanagaraDa ngarana geh tetenjrag Raja ieuh !Pating dorokdok balandonganPating bareok lawang saketeng !Awahing ku tunduh !Lengser !Ceuk Raja bari tetenjreg deuiBorobot

Page 6: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

BareokDorokdokHag siah,.......Beak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana !Nya eundeuk dikumahakeun ?Da ngarana geh tetenjreg Raja !

Tunda ...Top of Form

Lajeung batur !

LajeungCeuk RajaLengser !Ngaing teu mudu nurut !HayuhTakol bende !Kumpulkeun sakabeh baladUrang layanan anu nantang !KorejatSi Lengser ngorejat barian heuayHeuayna bari kuliatKuliatna sabari peureumAwahing ku tunduhKorejatTorolong........Si Lengser ngajol ti kolong baleKarep inyana deuk nabeyh bende,Lumpatna sabari peureum......Awahing ku tunduh !Dar der dor tarang tidagorBarenjol sagede jengkolBaruk pager diteumbragBerewk jamangna soek !Tapi si Lengser lumpat terusBongan parenta RajaDimudukeun nabeuh bendeNya lumpatLumpat ka saung bendeNgan lumpatna sabari peureumAwahing ku tunduh !Nya karuhanMimiti anu kadupakNini-nini deuk ngisikanLajuAki-aki deuk ka caiMani kababayan !Laju ngadupak deuiSaung lisung pipir imahBareok borobot gubrag !Rubuh saung lisungna !Heu !Gubrag !Si Lengser kaurugan saung !Korejat !Torolong

Page 7: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Si Lengser lumpat deuiLumpatna nyunyuhun hateupLain hiji hateup, dua hateupTapi hateup sasaungeun !Si Lengser lumpatLumpat lumpat !Lumpatna sabari peureumNya karuhan ngadupak deui !Mimiti tukang ngurutBalik ngurut nu kalingsirLaju tukang endulNyuhun tutut deuk ka pasarLaju tukang ttampayanDatangNgan kari hiji anu weuteuh buleudna !NyaetaBeuteung tukang tampayan !Ngan dosol........!Si Lengser lumpat terusLumpatna lumpat dinesNu ngajagangDitarajangNu ngajentulDisurudugAnu malangTangtu di teunggar !Da keur lumpat dines !Limpat dines mah sejen deuiHeunteu cara lumpat biasa lumpatna oge mudu sabariTanggah da ngarana ge lumpat dinesAri sabari peureum geh, teu matak nahaeunSabari peureum geh meunangAsal gagah bari tanggah beee !Jeung teu meunang luak-lieuk komo sumpang-simpang mah !Mun aya nu ngahalangan ?Mun aya nu ngagolan ?

Amun munding ?Ancur di tampilingAmun badak ?Bakal ucutan kabeh tulang-tulangnaAmun jelema ?Tanggung ngan kari ngaran !Kumaha amun imah ?Nya nyooooooompor ka kolongna ......!Tapi Sanajan lumpat na lumpat dines ogeAri sabari peuereum mahNya heunteu ka deuleu ku si LengserAya regag ngajagang tengah jalanLaju ngait keuna samping si Lengser !Reg !Rendeg !Samping si Lengser ngait keuna regang !Tapi lantaran keur lumpat dinesInyana heunteu meunang eureun Si Lengser lumpat dinesLumpat bari ngabedol sampingTapi samping

Page 8: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ngait pageuh kana regangAri regang ?Ngait deui keuna rujuk !Nya atuh kajadiananaBolonjon beee si Lengser lesot tina sampingCara kumang tinggaleun imah !Inyana lumpat terusLumpatna bobongkokan !Sabana ?Kajeun teuing ti tukang mah,Asal ulah tembong nu ti hareup beee.......!Nya karuha !Ting ceukeukeuk nu nareuleuEar budak ararempakTing cikikik nini-niniRame budak pada surakNareuleu burut si LengserMani heran cara berenuk !Si Lengser lumpat terus ....Eureun-eureun sotehInyana narajang tangkal jambeMani nileup !Lain tangkal jambe nu nileupTapi si Lengser !Nileupna tilu tileupan !Tapi heran bolor inyana mah peureum terus !Nya atuh deuk dikumahakeun ari tunduh kenah mah !Laju inyana rumpu-rumpaNya aya anu karampa ....Karampa gugulantunganPiker si LengserBende leutik !Kajeun leutik gehAsal bende ..... !Laju ditakol !Aeh aeh ceuk inyanaBet bende ngaberele ?Ari bray the mata inyana dibeuntakeunMani ngabuncelikCeuk si Lengser bari gigisikSingaing singaing !Lain bendeGeuning kanjut badot ki lebe !Bende mah euweuhMending geh ku lisung !Laju nitah ngumpulkeun lisungSaban lembur tujuh lisungLaju si Lengser nihtirNihtir !Nihtir !Nihtir teu eureun-eureunDua poe jeung sapeuting !Eureun-eureun sotehGeus euweuhan tabeuheunAncur lisung jadi suluhLedis ka gaganden-gagandenna !Laju inyana culak-cileukSugan mitoha inyana aya deukeut....Teunggeuleum...........!

Page 9: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

TidinyaSi Lengser ngadeuheus ka RajaLeumpang na bari nyegegengBujurna songgeng ka kencaCangkengna bengkok ka kencaTaktakna dengdek ka kencaLeungeuna kengkong ka kencaJeung mata teleng ka kencaUrut nihtir beurang peuting

Ceuk RajaKumaha Lengser ?Beres ?Ceuk si LengserBeres !KitulahLilana satengah bulan mahDi salikur lembur bakal mahal beas !Ceuk RajaBaruk mahal beas ?Ceuk si LengserSabab euweuh nu narutuLisungna ledis kabeh dipake nihtir !Ceuk RajaNgaing teu nguruskeun beasNanya ogeh urusan perang !Ceuk si LengserKomo eta mah !Leuwih ti beres !Samemeh nihtir ogehBalad geus taratonjolanHayang paheula-heula perang !Ceuk RajaHade ari kitu mah !Urang papag nu deuk ngarugrug !TapiTeu hadeMun perang di jero dayeuh !SababMontong teuin elehnaNajan di unggulna geLoba banda kari urutna !Nya etaKaluluh ti waktu tarungHade urang nyabrangPerang di tegalan anu lega !

Tunda ...Top of Form

lajeung batur !

bari nanggoan pindah alam !kocapkeun balad Bantennu ngarugrugnabari naggoan balad ti wetan !balad Banten ting araleut

Page 10: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

ngaleutna barian surak !dipapag ku Si Lengser !dipapag ku balad Si Lengser !burubul musuh ti kalerdipapag ku balad Si Lengser !burubul musuh ti kuduleudeuk nyabrang ti pinanggadingeta mah dipapag na ku Ki Raden Bagus Setranu di bantu ku Rakean incu Si Lengserder perangperang, batur, perang deui !perang na rosa jasa !kadeuleu ku Si Lengser aya nu ngaringkangjangkung kuru, kulit hideungkawahuan ku Si Lengsertina tapak luah dina jubah inyana !ceu piker Si Lengser :tuh inyana si Langkawarah !nu ti heula ngabedol kanjut !ti heula sia make sorbanayeuna sia make kopeah beureumjiga petasan kari nyeuneuttapi ngaing moal pangling !der perang !Si Lengser jeung nu jangkung kuruPerangna rosa jasaSaling cabok, saling takolSaling sered, saling gegelSaling kadek, saling nyekekSa;ing rawel nu dibunian !Perang, perang !Perang sakuriling bungking !Ngan Raja urang masih keneh keur ngawurkeun !Perang, batur, perang !Si Lengser perang na rosa !Dating ka wayah serangenge nyorot manceran !Ceuk nu jangkung hideung :Ke, eureun heula !Ceuk Si Lengser :Kunaha eureun heula ?Ceuk nu jangkung hideung :Ayeuna wayah lohor !Ngaing mudu salat heula !Ceuk Si Lengser :Jor !Laju nu jangkung hideung the salat lohorAri Si Lengser ?Inyana mah mumuluk heulaMani beak tilu boboko !Anggeus salat, anggeus mumulukDer perang deui !Ceuk nu jangkung hideung :Wani ?Ceuk Si Lengser :Wani !Der gulungan deuiJiga munding digulung lutung !

Page 11: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Perang rada lilaanDating ka wayah sarangenge dengkek ka kulonCeuk nu jangkung hideung :Ke, eureun heula !Ceuk Si Lengser :Ku naha eureun heula ?Ceuk nu jangkung hideung :Ayeuna wayah asar !Ngaing mudu salat heula !Ceuk Si Lengser :Jor !Nu jangkung hideung laju salat asarAri Si Lengser ?Inyana mah ngagidig ka sisi susukanNgawelu, mani tujuh tumpukan !Anggeus nu salat, anggeus nu ngaweluLaju pahareup – hareupPahogor hogor cara kunyuk !Ceuk nu jangkung hideung :Wani ?Ceuk Si Lengser :Puguuuuuh !Nya der perang deui !Perang na leuwih rosa !Saling banting, saling tampiling !Saling gorogod punduk ku haneu !Dating ka wayah sarengenge eundeuy surup !Ceuk nu jangkung hideung :Ke, eureun heula !Ceuk Si Lengser :Eureun deui ?Ceuk nu jangkung hideung :Heu’euh !Ayeuna geus wayah magribNgaing seuk salat heula !Ceuk Si Lengser :Los !Ongkoh meujeuhna sanekalaBeusi katonjok jurig !Nu jangkung hideung laju salatSi Lengser laju sila tutugSila tutug mencetan bitis !Ari silana ?Gigireun anu keur salat !Saha nu nyaho perang dijaman baheula ?Perang jaman baheula mah teu cara perang jaman kiwari !Ceuk nu jangkung hideung :Wani ?Ceuk Si Lengser :Keneh !Nya der perang deui !Ngan perangna heunteu lilaSabab matapoe anggeus surupGeus teu puguh deudeuleuan !Ceuk nu jangkung hideung :Ke eureun heula !Ceuk Si Lengser :Teu deuk !Ma enya aya perang eureun-eureunan ?

Page 12: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Pamali nyongMantak panjang teuin lalakon !Ceuk nu jangkung hideung bari tulak cangkeng :Najan perang ogehAri aturan agama mahAyeuna geus wayah isaNgaing mudu salat !Ceuk Si Lengser bari tulak cangkeng :Sia, perang teh pieun Agama ?Dewek ogeh perang teu pieun Agama !Ceuk nu jangkung hideung :Mantakna geh !Ceuk Si Lengser bari mandelik :Salat mah urusan Agama,Perang mah urusan NagaraPerang sia ngan urusan AgamaTapi perang dewekPieun Agama jeung Nagara !Ceuk nu jangkung hideung :Hade ngaing teu meunang salat !Tapi perangna mudu eureun heulaUrang tuluykeun isukan bae !Ceuk Si Lengser bari tutunjuk :Ku naha mudu isukan bae ?Ceuk nu jangkung hideung :Geus powek jasa !Geus teu kadeuleu !Ceuk Si Lengser :Damaran !Laju nyieun obor !Ari Si Lengser mahOborna the diselapan cabe rawitLobana setengah kaneron !Atuh barang geus disundut theNu dieungkung hideungBolor inyana mani peuriheunJeung laju kabesekan terus !Der perang deuiPerangna mawa oborSaling sundut saling puputSaling sundut keuna kanjut !Lajuna mahNu hideung the kawalahanLain kawalahan perang naTapi kawalahan ku gigisikKabesekan jeung ngolol lehoJeung teu eureun eureun sisiduen !Barang keur kabesekan deuiLaju inyana ditubruk ku Si LengserLaju di tileupkeunDigulung ku jubah na inyana kenehDigubeud dijieun buntelanDipangkekna nya ku tasbe !Ceuk Si Lengser bari nyerengeh :Hag, siah !Montong teuin salat subuh, salat isa gehMoal sia bias di Pajajaran !Laju buntelan dibalangkeun !Tapi lantaran Si Lengser

Page 13: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Geus meh beak tanagaNya buntelan theMurag na heunteu sabaraha jauh !Muragna digunung sinalang kiwari !Ngagulutuk nyangsang di lebak !Nya jadi sasakala engkenaDi suku eta gunungLoba caweneNu ku bapa arinyanaDilakiankeun ka semah marake jubah !Si Lengser laju ngingkingNgagidig ka sisi Sipatahunan !Ngagidik sabari keupatKeupatna keupat nu gagahIket campay dina taktakCara jawara meunang perkara !Ceuk Si Lengser :Mantah gehAri urusan AgamaDijieun luluguPieun ngurus nagara theTahSok kitu jadinaCara si hideung tadi !Agama mantak cambalEngkena jadi kawalat !Nagara teu matak beresEngkena jadi pajeujeut !Urusan Agama jeung urusan NagaraTeu meunang di campur adukHadean mah direndengkeunTapiUlah patumpang – tumpangMun Nagara geus pajeujeutUlah Agama dijieun gagamanPieun ngabereskeun nu pabeulitTapi Mun nu pabeulit haying leungitNu pajeujeut haying udarNu di jieun gagaman teh ulah AgamaTapiGagaman anu gedeTakolkeun ka anu arumangkeuh Ari kuring bias ngaheunteuk Nagara !Si Lengser ngagidig terusNgagidig na gancang teuin !Laju we inyana tikudewat keuna areuy ………Gabut !Gorolong bae inyana ka landeuhkeu,Ka lebahan Raja anu keur ngawur !

Tunda heula !Top of Form

Pun Sapun ka Pamunjung di Mandala Agung, ka Mandala Pangungahan, ka sakabeh nu kadeuleu teu karasa, nu kaambeu teu kadeuleu ... Paralun !

Wilujeung weungi batur, di powek mongkleng di damaran ku bulan sapasi urang

Page 14: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

lajeung lalakon Ngahyangna Pajajaran/Pajajaran Seren Papak dina Pantun Bogor

Lajeung !

Urang kocapkeun sisi leuwi SipatahunanRaja urang keur ngawurkeunAwurkeunana saeutik deuiBarang deuk ngawurkeun deuiKadeuleu ku inyanaSisi leuwi sabrang wetanDina ruhur tangkal jatiAya nu keur ngintip ....Ceuk Raja :E eh aya manusa !GorobasGubrag !Gorolong jiga kadu murag asakReg,Eureun hareupeun RajaRorowesan jiga peusing !Ceuk nu jiga peusing :Lain Gusti !Ieu mah Si Lengser, nun !Mantas miceun buntelan !Ceuk Raja :Ngaing geus nyaho dia lain manusa !Dia the Si LengserTapi itu tuh !Di sabrang wetan aya nu ngintipUrang jieun lutung bae kituh ?Ceuk Si Lengser :Ulah Gusti ulah !Sabab lutung mah aya kokodna !Inyana tangtu geus neuleuEngke dimana urg geus euweuhTangtu inyana ujap-ajapNgemukan di ieu leuwiKeun kumaha kula baeGusti mah geura ka tonggohTuh, musuh geus nanyakeun Gusti !Laju Si Lengser nyokot popongkol howeGedena sagede cangkeng banteng !Laju dipalengpengkeun !Keuna ka nu keur ngintipPalebah beungeut inyana pisan !Beletak !Gajabag !Nu dipelengpeng salin rupaInyana jadi kalong !Tah eta sabab-sababnaMatak neupi kiwari Kalong tehJeding bungusna !Ceuk Si Lengser :Bongan soranganNeuleukeun lain deuleun sia !Tapi najan geus kadeuleuSungut sia moal bisa nyaritaKokod sia moal bisa nyokot !

Page 15: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ayeuna sia jadi kalongTetep enggon sia dina tangkal !EngekeDi mangsa nu bakal kasorangSia bisa jadi jelema deuiTapi engke !Amun ieu Nagara jadi sampalanSisi leuwi ngadeg lemburWetaneun kandang kebo buleTah di eta lemburSia bakal ngarunjakeun deui turunanTapi tingkah laku inyanaHeunteu beda tina kalong !Malah engke deuiBakal aya turunan sia !Nu ngarana ogeSi kalong !Laku lampah inyanaHeunte beda tina kalong !Ah eta sabab sababna nepi ka kiwari di kebon gede hutan samida loba bae kalong !Urang tunda deui !Urang kocapkeun Raja urang !Inyana unggah ka tonggohLaju nyabrangDer perang !Rosa jasaLeuwih rosa ti nu ti heula !Raja urang perang ngaganda !Inyana dihurup ku :Kai CakraKai JayaKai AsepKai TubagusJeung dua bengkongUwah mahmudUwah bakar !Tapi Raja Sunda heunteu kederBeuki loba nu ngahurupMeni rosa perangna Raja urang !Datang ka eta genep jawara kulon jeung wetanPerangna mani enggeh-enggehan !Ting gulilap kolepat pedangTing jeleger sora tampilingTing jalegur sora paneunggelan !Matak torekNgadenge sora nu ngareuhak !Tunda heula !Keun sina perang bari ngareuhak !Ayeuna urang kocapkeunAnu keur ngalanglang buanaSaha ?Nya etaSanghiyang Santang Aria CakrabuanaNu gagah jeung kasep tea !Ti Pajajaran inyana lologanti ngaran jadiGuriang Setra !Mimitina nindakna ka Ujung KulonLaju nyabrang lautanUnggah di sabrang kulon

Page 16: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Di nu kiwari disebut tanah Lampung !Laju Ki Santang nanya ka urang lampung :Saha tah jagona di dieu ?Ceuk urang lampung :Di dieu mah teu boga jago !Sabab jagona aya di sabrangDi Nagara Pajajaran !Ceuk Ki Santang :Nahaeun sababna ?Ceuk urang lampung :Urang dieu tehBaraya ka urang Pajajaran !Ceuk Ki Santang :Kumaha mimitina ?Ceuk urang lampung :Raja Pajajaran ewean ka urang dieu,Ka nyai Putri Gambir Sari !Ceuk Ki Santang :Mun bener baraya,Saha jagona di Pajajaran ?Ceuk urang lampung :Jago Pajajaran aya duaNu kolot jeung nu ngora !Nu kolot ngarana Embah Lengser !Ceuk Ki Santang :Anu ngora ?Ceuk urang lampung :Si RadenSi kasep Aria PajajaranDisarebutna Ki Hiyang Santang !Ki Santang ngenah jasa angeunLaju mere bako ka nu ditanyaLaju nindak deuiNindakNindakMingkin lila beuki jauh !Nya anjog ka hiji dayeuh gedeLeuwi gede manan ciliwung !Ceuk Ki Santang ka urang dinya :Ngaran ieu Nagara ?Ceuk nu ditanya :Paliman !Ceuk Ki Santang :Kunaha ngarana kitu ?Ceuk nu ditanya :Sabab loba gajah !Ceuk Ki Santang :Pantes !Sagala mani gede kieuWalunganana gedeTatangkalanana garedeDayeuhna ogeh gedeNgan jelemanaHeunteu garedeSarua bae gadena jeung kula !Tapi Rajana sagede kumaha ?Ceuk urang paliman :Meujeuhna !Ceuk Ki Santang :

Page 17: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Dimana imahna ?Ceuk urang paliman :Tuh, imah nu panggedena !Laju Ki Santang nindak deuiCarita asup inyana ka KaratonKasampak aya jeulema gedeKeur ucang angge dina bale ukirBalena bale gede dijieunnaTina caling gajahDiukiran rupa gajahGigireun bale gedeaneprokNu gareulis jaredeGarede gehGede bujurna ...... !Ceuk Ki Santang :Dia tuh Raja di dieu ?Ceuk nu ucang angge :Heu'euh !Ceuk Ki Santang :Saha ngaran dia ?Ceuk Raja :Prabu Liman Jaya Kencana !Eta ngaran kulaNu kaceluk ka tanah sabrang !Ngaran kaula di dieu mah sejen deui !Ceuk Ki Santang :Ngeunah nya jadi Raja ?Prabu Liman Jaya Kencana,Lain Raja sambarang RajaTapi Raja nu rancageInyana ngartieunKi Semah theEudeuk nyiar gara-gara !Ceuk Raja Liman Kencana :Dimana lebah ngeunahna ?Ceuk Ki Santang :Tuh, lebah bujur-bujur nu darempokSela pingping nu parungkil !Ceuk Raja nu rancage :Parungkil mah Ki SemahTandana jagjag waringkasSabab tara tinggal ti jajamuDararempok ?Eta mah aya sabab naSabab loba gawe bari cingongoNgored bari cingongoNgarejo bari cingongoKarihna bari cingongoJeung deui kitu buktinaNu biasa gawe beuratSabab di dieu mahNajan ngaran nyi putriNgahuma the mudu bisaNinun hayu, nutu hayuTara jerih ka gawe beurat !Tapi Ki SemahSaha ngaran diaJeung naeun nu seja ku dia ?

Page 18: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ceuk Ki Santang :Ngaran kula Guriang SetraDatang ka dieuNya etaEundeuk nyiar pangabisaEundeuk mulung pangaweruhSabab di Nagara kaula Geus euweuh nu sarua eujeun kulaSaha jagona di ieu Nagara ?Ceuk Prabu Liman Kencana :Di dieu mah euweuh jago !Ceuk Ki Santang :Tilok tah ?Tilok di dieu Nagara euweuh lalaki ?Ceuk Prabu Liman Kencana :Lalaki mah ngabadegTapi lain pieun jadi jago !Ceuk Ki Santang :Pieun naeun atuh ?Ceuk Prabu Liman Kencana :Pieun ngabnatu ngamakmurkeun Nagara !Ceuk Ki Santang :Lain pieun ngalawan musuh ?Kumaha mun aya nu nangtang perang ?Ceuk Prabu Liman Kencana :Perang mah tara datang saban mangsa ! Tapi makmur mah mudu saterusnaAbeh Nagara salalawasnaGemah ripah sugih mukti

Tunda heula nya nundutan !Top of Form

Urang lajeung batur !

Di ieu Nagara mahMahmur the lain ngan dilamunTapi mahmur nu karasaSabab di dieu mahAdil teh lain omomg anu kosongTapi adil anu bukti !Jeung adilnaLain adil ceuk Raja wungkulTapi adil mun sapuk sakabeh somah !Ku kitunaAdil mahmur tehDi dieu mahLain ngaran wungkul caturLain ngan omong pangbebenjoLain carita nu sulaya !Ceuk Ki Santang :Kuamaha di dieu bisa kitu ?Kula hayang diajarTeruskeun ka anak incu !Ceuk Prabu Liman Kencana :Dengekeun !Di ieu NagaraPagawe the garetol kabeh

Page 19: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Carukup ku pangaweruhTaliti dina pamanggihLaloba ngalamanJeung jalembar pangabisa !Tapi pangabisaNu nguntungkeun ka somahna !Jaba ti getol samudunaOge teu meunang adigung garede hulu !Teu meunang punta-penta ka somahTeu meunang nyusah keun somahTeu meunang nyingsieunan somahTeu meunang menta balenan ti sumah !Teu meunang make maksaSumawonna nyingsieunan !Tapi parentah tehDirupakeun jadi pangajakNu kaharti asup akalKapikir ku sakabeh somah !Mun pagaweBukti gawe heunteu benerAtawa ngan nyugihkeun dirina wungkulHarita keneh ogeh digantung bari disisit !Kumaha pagawe di Nagara dia, Ki Semah ?Ceuk Ki Santang :Di Nagara kula mah euweuh pagawe !Kabeh teh juragan kabeh !Ceuk Prabu Liman Jaya Kencana :Karunya temen nu jadi somah !Tapi dengekeun ! Di ieu NagaraNu buburuh cukup upahnaDi garawe bari narembangSabab sebeuh saban hakanNu tiraniLaluasa tiraninaSabab hasil dibuatnaLain asal ijon ka Nagara !Ku kitunaCaba ti bereOgeh murah hakaneun !Nu daragangTeu diajar ku Nagara !Tapi Nagara ngalobakeun pidagangeunKu kitunaJaba ti bereOgeh murah pidagangeun !Ari pagaweTeu mudu sumpah saban pasarMeunang gawe bari taniMeunang gawe bari dagangTapi tani anggeus gaweTapi dagang anggeus gaweNganAmun tani amun dagangTeu meunang ngeunah soranganKu jalanNgahalang-halang usaha somah !Nu kaparcayaNgajalankeun parentah Nagara

Page 20: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Garawena minang ka bapaHartinaLoba mere tara mentaMerena ?Nya pangjeujeuh !Mentana ?Tara menta pangabaktiPangjeujeuhna ?Lain ku omong anu kosongLain janji nu sulayaTapiKu janji anu buktiKu omong anu tembongMun pagawe Rasa inyana ku kawasaPunta-penta nitah baktiBaktina ngan pieun inyanaJeung galakKa sakur nu teu mereKi Semah, Ki SemahMoal endeuk Nagara bisaAdil Makmur !Ceuk Ki Santang :Heueueueuh !Kula tarima meunang Pajajaran !Tapi bener-bener yeuhDi ieu Nagara euweuh jagona ?Ceuk Prabu Lingga Kencana :Ari jago mah loba !Tapi lain jago dina gelutJago soteh dina bener !Amun Ki SemahRajang tarungTuh ka ditu !Tapi saeuncana mahTeu mudu dia ngajugjug jeuhSabab engke ogehBakal datang mangsa naKu urang rabul jalema buleTah eta pilawaneun dia !Urang tunda deuiNanggoan datangna nu baruleUrang caritakeun baeKi Santang the laju amitanAngkuhna deuk ngajugjug ka nu jauhDeuk neangan jelema buleNya anjog ka sisi sagara !Kadeuleu ku inyanaLaut motah ngadak-ngadakLemah eundeur ruag-rieugTinggeleger hawar-hawar ..... !Ceuk Ki Santang :E eh !Naheun ieu gara-garana ?Jeung kunaheun ?Ngadak-ngadak hayang mulang ?Kadeule di awang-awang aya mega maju ngidulBelesat !Ki Santang ngapung ka mega

Page 21: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Karep inyana tumpak megaTapi dina megaAya mipit mudu amitAmun ngala kudu mentaAmun numpang mudu nyarita !Ceuk Ki Santang bari ambeuk :Ulah sia loba bacot !Dibebekkeun ieu mega ku dewek !Ngeser !Dewek moal numpang cara lentahTapi ngilu bari maray !Tah duitna opat kanjut !Kop jeung kanjut-kanjutna !Geuwat dewek anteurkeun ka Pajajaran !Ceuk tukang mega sabari ised :Ari maray mahSejen deui urusanana !Saenyana ceuk aturanHeunteu meunang mawa tumpanganSabab ieu teh mega dines !Tapi ku duit mah Kula the heunteu buyut !Jiga-jigana Dilembur dia mahDia the jawara kedotan !Ceuk Ki Santang :Kumaha dia nyaho ?Ceuk tukang mega :Tina porongos !Sarua jeung porongos tukang eta !Ceuk Ki Santang :Tukang naeun ?Ceuk tukang mega :Tukang mariksa mega ngaliwat !Ceuk Ki Santang :Kituh !Ceuk tukang mega :Heu'euh !Tukang mega mahLoba nu sarawan !Sabab tukang mariksa megaMorongos sok satang ka tembong gugusiMun can dibere pieun meuli sisig !Tapi ari dia mahNgilu numpang theMake maray !Tanda jawara kedotan !Heunteu cara tukang mariksa megaArinyana mah Ngilu ongkohMenta duit ongkoh sakalieun teu menta duitAri turunTara nuhun-nuhun acan !Dasar kunyuk didangdananKacida ieu aingnaAbong-abong keur kawasa !Ceuk Ki Santang :Heu'euh !Tapi edas bapa

Page 22: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Loba jasa barayan teh !seung, sing jongjon diukna !Ulah tukang teuin mega na geus bututJeung jamaknaAmun gujlang gijlengPuguh langit ayeuna mah legok-legokJeung jamaknaHeunteu bisa nyanghunjarSabab ieu the mega dinesParanti neang ma beurangAri di kahiyanganAya bidadari deuk ngajuru !Jeung nyekelananaUlah pageuh teuinBeusi ucutan tihang megana !Jeung ulah sabari egegBeusi tiporosMegana geus butut !

Tunda heulaTop of Form

Lajeung dina peuting nu didamaran ku samar bulan

Urang longok Raja urangNu dihurup ku musuh genepan !Perang na rosa jasaEta genep papatihKu Raja urang laju ditubrukLaju di awut-awutDi luluh di gulung-gulungDi rampid jadi ngahijiMani pating polonjon tina jubah inyanaTing arenyutJiga tetep lesot tina wadahna !Ting arenyut sabuligirJiga eungkuk pilegaeunBalad BantenWaktu neuleu kabeh papatihnaDeuk di podaran ku Raja SundaHeunteu taregaeunLajuReog wae ngaleutCara sireum sirarangeNgagurumut Raja urang !Atug mani haliwu Raja urang !Nya harita opat patih Banten bisa budiNya eta bengkong nu duaanArinyana mah heunteu kaburu !Sabab kaburu modar mantare !Lain paraeh ku Raja urangTapiModarnaDitareunggelan urang Banten !Sabab ku haliwu-haliwuna ngagurumutUrang banten theTeuteunggeulnaSateunggeul-tenggeulna bae !

Page 23: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Datang ka loba balad BantenKararojorCigenden ku baturna keneh !Urang caturkeun patih Banten anu opatArinyana bisa budiLaju ngorejat bari ngarewel jubah !TapiLantaran ngorejatna bari haliwuNya atuh ngarawel tehSarewel-rewelna baeHeunteu arengeuh pahili jubah !Ku haliwu-haliwunaKai Cakra hanteu engeuh pahili jubahKai Jaya hanteu engeuh pahili jubahKai Asep hanteu engeuh pahili jubahKai Tubagus hanteu engeuh pahili jubahMalah Kai Tubagus mahJaba tipahili tehInyana hanteu eungeuhMake jubah the tibalikNu pieun cokorDipake di ruhurAri cokornaDiasupkeun dina beuheung jubah !Atuh leumpangna Mani ciga nini-nini hudang ngajuru !Ninggang di Kai Cakra anu begangNu karawel teh jubah godombrongPakeun baturna nu jangkung gedeAtuh barang dipake theKa luhur leuwih sasikuKa handap leuwih sadeupa !Ceuk pikir inyana :Bener sakti si Raja Sunda !Ieu jubah mani kieuKa ruhur teu kadeuleu langitKa handap teu kadeuleu napak !Nya gudubrak bae inyana labuhTikudewatNincak jubah panjang teuin !Ceuk pikir inyana :Panjang teuin !Ngaing beubeurkeun !Laju jubah panjang tehDibeubeurkeunDigulungkeun luhureun cangkengAtuh tembong buraholna !Der perang deui !Perang rosaPerang rosa jasaTerus perang leuwih ti rosa jasa !Raja urangNajan gagah najan saktiTapiAri diruhun digurumut mahNya haliwu ogeh !Nya kapaksa inyana mundurKadeseh ka beulah kalerDatang ka palebahan birit leuwi !

Page 24: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Tah di dinyaInyana katubruk ku nu ngahurupTapi Raja urang Laju motah rosa jasa !Nya lajuna mahGujubaaarrr !Raja urang ragag ka leuwiGujubarKai Asep kabawa ragagInyana ngarawel jubah Kai JayaKai Jaya ngarawel jubah Kai CakraKai Cakra ngarawel jubah Kai TubagusTapiLantaran jubah Kai Tubagus mah DibeubeurkeunNya nu ngarawel theBuraholna !Nya gujubaaarrr !Jawara Banten jeung Cirebon nu opatKabedol kabawa ragagLaju perang di dasar leuwiBalad Banten eureun perangna !Balad Pajajaran areureun perangna !Lalajo nu keur perang di dasar leuwi !Nya jadina mahEuweuh nu perang di daratanKabeh jarajang tegesNareuleu nu galungan di dasar leuwi !Kabeh pasedek-sedek !DatangEuweuh nu areungeuhBalad PajajaranNyarelap di balad BantenBalad BantenNyarelap di balad PajajaranEungeuh-eungeuh sotehAya nu hitut !Ceuk balad Pajajaran :Hitut Banten yeuh !Sejen deui peledakna !Ari inyana ngalieuk tehBaruk geuning lain batur sakamandoranTapi musuhUrang Banten !Nya der perang deui !Perang di daratanPerang di dasar leuwiTing gulutuk sora batuTing sareak sora koralTing kiricik sora keusik !Burial !Burial !Cai kiruh ti dasar leuwiUmpalna neunggaran gawir !Ngagulugur gawir nu urugNgaguruh tangkal nu rubuhTangkal jati garagedSisi leuwi sabrang wetanRungkad ambles kabawa palid !

Page 25: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ari palidna ?Nyarangsang di birit leuwiTah di dinyaEngkena teh bakal ngadeg hiji lemburNu ngaranna di kiwariBantarjatiUrang tunda deuiSina jadi lembur bantar jati !Urang kocapkeun Ki Santang deui !Kadeuleu ti awang-awangPalebah leuwi sipatahunanLoba jasa jelema keur saling genden !Ceuk pikir Ki Santang :Boa-boaJeung kadeuleunaJiga lain somah ngaing kabeh !Gajleng !Ki Santang luncat tina megaMegana mani semplak sabeulah !Sesemplakan mega nu beulahMurag !Ragagna malangNyampai dina lampingSakaleren gunung gedeEngkenaDihandapeun ngadeug hiji lemburNu kiwari disebutna Mega mendung !Lajukeun urang Ki Santang !Jrut inyana turunJlig inyana nepiJung inyana nantungKadeuleu aya numpukanNgagunuk cara picung buruk !Ceuk Ki Santang bari tulak cangkeng :Nahaeun yeuh ?Ceuk nu nagunuk :Nu areleh perang !Ceuk Ki Santang :Urang mana ?Ceuk nu ngagunuk :Pajajaran !Ceuk Ki Santang :Eleh ku saha ?Ceuk nu ngagunuk :Ku urang Banten !Ceuk Ki Santang :Kunaha make areleh ?Ceuk nu ngagunuk :Licik sih !Kaci ngegel ceuliNyolok mata jeung nyingkabkeun samping !Ceuk Ki Santang :Lain licik !Eta tah aturan perang anyar !Tapi kumaha sabab perang ?Ceuk nu ngagunuk :Ngabelaan Raja !Ceuk Ki Santang :

Page 26: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Di mana Raja ?Ceuk Nu ngagunuk :Tuh di dasar leuwi !Keur dihurup ku opat urang !Ki Santang teu loba deui caturLaju inyana tuturubunNgajubar !Lep !Inyana teuleum !Tapi sabab caina kiruhTeu kadeuleuMana Bapa mana musuh !Ceuk Ki Santang :E eh !Mun neunggeul bari teu neuleuBisa salah anu keuna !Leuwih hadeIeu leuwi hade ngaing bedahkeun !Nya der dibedahkeunKa hilir ciliwung guntur !Ka girang ciliwung surut !Kocapkeun anu garelut !Heunteu areungeuhSipatahunan mingkin saat !Barang beak cai kiruhnaKa deuleu ku Ki SantangRaja eundeuk diporeatkeun !Teu antaparah !Saebrur Raja direbutLung di kadaratkeun !Anu karebut musuhnaKaruhan bae ambek jasa !Kadeuleu ku arinyanaAya musuh anyar !Laju pating surungkuyTing garebayNgarajol bari raranggeumEundeuk nyekek beuheung Ki Santang !Ki Santang ngeunah seuri !Laju leuwi di kubek deuiKiruhna kiruh jasaDatang kaeuweuh nu bisa kadeuleu !Ki Santang mahInyana laju ngadapangMalang dina pamontengan !Inyana ditubruk ku opat patih BantenTapi Ki SantangNyejat bari ngagakgak !Pamuntangan laju bedahNyot buburialan !Atuh kaceotOpat patih urang Banten !Hulu inyana ngadalagor batu Mani remuk ka batu-batunaAwak inyana naleungar cadasMani raraungkad gawir-gawirna !Nya mooooooooooodar !Laju paralidLaju engkena nyarangsang !

Page 27: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Anu saurangDilebaheun kiwari tanah jelebutAnu saurang deuiDi bilangan kiwari tanah bojong gedeSaurang deuiDi bilangan kiwari tanah citayemSaurang deui Di bilangan kiwari tanah sawangan !Tapi saha nu nyarangsangna ?Saurang gehDatang ka iraha ogehMoal aya nu nyaho !Lantaran waktu paralidnaMarake jubah nu pahiliPahili ka pangkat-pangkatna !Ngan baeEngkena kabejakeunCeunah mah jaradi karamat !

Tunda deuiKeun sina jaradi karamat !

Top of Form

Lajeung

AyeunaUrang teang Si LengserSi Lengser karuhan sakabeh tukang pantun !Barang balad Banten eureun perangnaBarabg balad Pajajaran nunda perangnaEmbah anis jeung embah anomEudeuk areureun nunda perangnaNgan Si Lengser anu hanteu !Ceuk Si Lengser :Eundeuk ka marana dia ?Ceuk Embah Anis :Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi !Ceuk Embah Anom :Deuk neuleu nu dibeset di dasar leuwi !Ceuk Si Lengser :Moal kadeuleu !Caina geh kiruh !Mending geh,Urang lajukeun perang urang !KapalangTingal sajurud deui !Tapi Embah Anis deuk nojok terusEmabh Anom ogeh deuk nojok terusLaju ku Si LengserEmanh Anis dijenggut jambrongnaEmabh Anom dijebak jabrikna !KaruhanMani pating caweuweuw !TapinaHanteu ngaralawanSabab harayang lalajo nu perang di dasar leuwi !Torolong bae duaan lalumpatanLalumpat bari darongko

Page 28: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Lalumpat bari susulumputan !Lantaran hayang jarongjon lalajonaJeung ulah kapanggih ku Si LengserNya lalajo tehDibirit leuwi sabrang kulon !Caringgoooo bae !Dina sisi gawir handapeun kopoTunda deui !Keun sina caringogo !KocapkeunRaja Sunda jeung Ki Santang !Geus haranjat deui !Laju ngabuburak balad BantenMani ting alacir paburisatJiga rorongo dikebutkeun !Ceuk Raja ka Ki Santang :Hadena Aden kaburu datang !Ceuk Ki Santang :Mun teu kaburu ?Ceuk Raja :Mantak teuin lalakon panjangTahAri geus paralid mahMoal bisa calutak deui !Tapi sing aringet !Najan arinyanaGeus eleh dua kaliRajana mahPanasaran keneh !Tangtu inyana theHayang keneh nyilakakeun urangNyilakakeunanaMoal ku jalan kasarTapi ngakalanKu jalan halus !Bejaan kabeh sanak, kabeh kadangSing ti ayeuna kenehPipir imah saimahnaBeulah kenca nu di tukangDi hareup beulah katuhuMarelakTangkal sentePikeun tumbal keuna baraja !aju marelak deuiTangkal cau emasPieun tamba keuna wisayaSabab kahareupnaMusuh teh ngalawanaKu jalan guna wisayaKu teluh eujeung muduKu warejit utah getihNyieun edan jadi sasarGering nangtung ngaganggayong !Tapi teu mudu sieun !Mun aya nu keuna kituSambat bae bae ngaran bapaCeluk bae ngaran diaLaju mandian ku caiTi leuwi sipatahunanJeung inuman

Page 29: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ku caiTi pancuran tujuh !Ari jampena ?Sina diajar bae ti Si Lengser !Tunda deui !Sina diajar jampe teluh ka Si LengserKocapkeun deui Si Lengser di tegalan !Inyana dagdag-digdig sorang baeTulang cangkeng bari tetenjragHahaok bari popolototNgareuhak bari kekerotNantang musuh nu tingaleun kalang !Kadeuleu ku inyanaGawir urug, leuwi bedahBalad musuh loba nu paling !Ngeunah jasa angen Si LengserGadag-gidig inyana ka tengah tegalan Leungeun anu kencaTulak cangkeng nyerengkebengNu katuhuDikeupatkeun ngagandejangCara deumang eundeuk nganjangEndeuk mogor ka anak mandor !Ret inyana ka kalerLeuweung jati urug saparoMani ngemplong deudeuleuanKadeuleu aya deui ngaraleutNu areureun di birit leuwiBirit leuwi sabrang kulon !Nu ngaraleut tehLaju ngaromong jeung sesana balad Banten !Tah lebah dinyaEngkena tah nadeug hiji lemburNu kiwari disebutnaPabaton !Sabab urut ngumpul jeung badami !Si Lengser laju nabeuh bende !AtuhBarang bende ditabeuh deui tehMani beeeeejat burarakan !Ari ceuli bende ?Mani ngaclengRagragna di leubahan nu kiwari jadi lemburNu ngarana Ceuli beunde !Kadenge ku Raja urangLaju dihaokanCeuk Raja :Nahaeun Lengser ?Ceuk Si Lengser :Musuh datang deui !Ceuk Raja :Sabaraha ?Ceuk Si Lengser :Nyaho teuin !Teu kabilangNgan ayeuna mah marake jendol !Der perang !Perang deui !

Page 30: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

PerangPerangPerang batur, perang !Leuwih rosa ti perang nu ti heula !Perang jeung musuh nu anyar datang Perang jeung nu marake jendolPerang deui jeung sesana balad Banten !Perang, perang !Urang Pajajaran Dihurup hiji musuh salikurSabab urang BantenDibantu ku balad ti wetan !Lantaran balad musuh nu ti wetan Tambah deui tambah deuiNya kawalahan ogeh Raja urangNya kawalahan ogeh Ki SantangNya kawalahan ogeh Si Lengser !Burubul musuh ti kidulSurudugSi Lengser ka kidul !Burubul musuh ti kulonSurudugSi Lengser nangkis di kaler !Burubul musuh ti wetanSurudugSi Lengser ngamuk di wetan !Urang Pajajaran perangna rosa jasa !Sakabeh ngilu perangAki-aki ngilu perangNini-nini ngilu perangKaruhan nu ngarora mahNu lelengeh ngilu perangNu barujang Ngalawanana galak jasaSabab ku beubeureuhMun ku musuhNu sapotong dikeureut sapotongkimpoi theEndeuk moal dijadikeun !Perang nu cawene ?Leuwih giras ti cangehgarSabab arinyana heunteu sudiMudu leungit anu nyempilDicarokel make obeng !Perang, batur, perang !Mangkin lila beuki rosaMangkin tambah balad musuhBeuki kawalahan Pajajaran ........... !Ceuk Raja ka Si Lengser :Mun kieu terus-terusanMatak boa mudu mundur !Ceuk Si Lengser :Encan wayah !Leuwih hadeUrang ganti aturan perangna !Urang make aturan anyarNya etaAkeul dulang kaju samida !Hartina

Page 31: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Kaju seungit pieun ngukus !TegesnaAmin jaya aya di urangTangtu musuh bakal musnaTapiAmun apes papasten urangPaeh geh moal jaradi jurigSabab sukma urangDiparenahkeun di kahiyangan !Lantaran paehna urangGara-garaSatuhu ka Sang RumuhunBela-pati ka Nagara !Ceuk Raja :Kumaha ngaturna ?Ceuk Si Lengser :Geura tuturkeun !Laju Si Lengser ka tengah tegalanBurudul musuh ti kidulSuruntul Si Lengser ka kaler !Burudul musuh ti kulonSuruntul Si Lengser ka kidul !Burudul musuh ti kalerSuruntul Si Lengser ka wetan !Cindeukna mahPerang cara Si Lengser tehDatang ka lebur jagat tetempuran ogehMoal deuk aya nu bisa nuri !Sadupak-dupakna matak cilakaSatubruk-tubrukna matak ripuhSatejeh-tejehna matak bengekSatincak-tincakna matak bohakSarawel-rawelna mataj soekNya karuhanMusuh mani paburisat !Kumaha amunBurubul musuh ti wetan ?Suruntul Si Lengser ka tengah tegalan !Amun musuh anggeus parekSi Lengser laju nonggengBari nonggeng nyingsatkeun samping !Ku maha ari musuh ?Arinyana laju bae kasima !Sabab pikir arinyanaEta kanjut inyana geus sagede kiiiitu ... !Tada teuin meureun gaganden inyana mah ... !Nya laju sakabeh anu nareuleu Si Lengser nonggengPada kalenger !Cindekna perang cara Si Lengser mahDatang ka iraha ogehMoal endeuk aya nu niru !Teu kabilang anu modarTeu kabilang anu rarusak .... !Nu teu katibuk teu kadupakTeu katejeh teu kasikuRipuhna mah sarua baeeeee ... !Malahan arinyana mahParaeh teh leuwih cilaka !Nya eta 

Page 32: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Molotot bari sambututBari leungeun marencet irung !Sabab Si LengserPerang teh inyana mah mamawa sigung ... !

Tunda heula !Keun Si Lengser sina nurutan sigung 

Top of Form

Kapalang urang lajeung batur !

Urang mah, urang tempo Raja urang !Nu keur perang dibantu ku Ki Santang !Perang nyana rosa jasa !Datang ka tegalan sakitu leganaJadi heurin ku nu keur perang ....... !Ting dorongkok tampal nu reuntasTing bareok dapuran awi ... !Tegal legaNgalegaan ... !Beuki lega beuki lega ....... !Engkena di tegalan tadi perang, ngadeug lemburNu kiwari disebut Tegal lega !Ceuk tadi ogehUrang Pajajaran kawalahan !Sabab najan gagah najan sakti !Ari musuhTambah deui tambah deui mahLila-lia nya kawalahan jasa !Raja urang kasedekeun ka beh kidulKi Santang kasedeken ka beh kidulAri Si Lengser ?Inyana mah terus bae saradag sarudug susurudug ..... !Barang nyurudug deui theKalangsu teuin .... !Engeuh-eungeuhInyana tikacubar di Cai SadaniPucunghul inyana timbulAlagag-euleugeg bari kabesekanLajuGurawil keuna gawirJiga peusing unggah ka pasir !Hanteu kanyahoan ... Kadewek !Cokor Si Lengser sadua-duaTi lebak aya nu newak !Heu !Si Lengser aya nu ngabeubeutkeun !Mani nambru jiga mandilaka dalu !Ceuk nu ngabeubeutkeun sabari nyareungir :Heheh !Kapiheulaan nyah !Ceuk Si Lengser :Heueueueu ... Euh !Laju inyana endeuk ngalawanNgalawan bari murantengBari muranteng keuna cangkuwang !Tapi ti lebakCokor Si Lengser duanana

Page 33: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Dibaredol sataker tanaga !Laju Si Lengser tetejeh ,Satejeh kadia tejeh !Katilu tekeh mahGubrag bae Si Lengser ngajolopong !Laju diseseredDigusur ka lebak deui !Reg randegSabab Si Lengser muntang keuna cangkuwang deui !Cangkuwang geh cangkuwang baheula lain cangkuwang jaman kiwari !Laju pabedol-bedol .... !Musuh ngabedol Si Lengser !Si Lengser ngabedol cangkengna !BedolBedol !Bedol pabedol-bedol !Ari nu ripuhna mahNya Si Lengser baeeee !Pikir inyana :Saha manusaaaaa nu ngabedol ?Ari ret theKadeuleu ku inyana dua urang ting carengir !Ceuk Si Lengser :Geuning si ganggarangan !Si Anom jeung si Anis !Ceuk Embah Anom jeung Embah Anis :Heheh ! Beunang siah ayeuna mah !Si Lengser motah deui !Inyana motah jasa Tetejeh sabari murantengBari muranteng sabari nyerengid !Ceuk Embah Anom :Bedul nis !Urang sundatan !Ceuk Embah Anis :Bedul nom !Urang sundatan !Ceuk Si Lengser :Moal teurak !Geus liat teuin !Laju pa bedol-bedol deui .... !Bedas nu ngabedolPageuh nu dibedol ...Tapi lajuna mahCangkuwang laju rungkad pegat akarna !Harita ti patuhaDi tonggoheun BalekambangKu balad urang nu keur jagaKadeuleu Si Lengser keur rorowesan !Laju di tarulungan !Durudud Si Lengser digarusur ditarulungan !Dereded ! Si Lengser diseseredDisered musuh ka lebak deuiDisesered ka sisi cai !Durudud ! Si Lengser ku batur-batur Digusur ka tonggoh deuiDibawa unggah ka lebah Patuha !TapiDereded Si Lengser ku musuh-musuh 

Page 34: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Disesered ka lebak deui !Durudud deui ! Dereded deui !Ka tonggoh deui ka lebak deuiDatang ka gawir lebah dinyaBeuki legok beuki lega ... !Ceuk Si Lengser :Terus batur terus !Itung-itung ngangaraji jagat !Terus !Abeh kurap dina taktakAbeh hapur dina bujurKabeh beak ka akar-akarna !Ceuk balad urang di patuha :Rambati .... rata haaayu !LajuDurudud Si Lengser digusur ka ruhur !Ceuk embah Anom jeung embah Anis :Upih jambe murag ngabete !Bereleeeeee !Dereded Si Lengser ku Embah Anom jeung Embah Anis Deserered deui ditatarik deui ka sisi cai !Barang anggeus ku batur-baturDidurudud ka luhur deuiKumusuh deuk disered ka leubak deuiCeuk Si Lengser ka urang Patuha :Esotkeun batur leupaskeun !Atuh barang dereded tehEmbah Anom jeung Embah AnisNararik theBadis meset jeujeur pegat useupna !Mani tinggulitik jujuralitanTing garolong ka lebakeunPaheula-heula jeung Si Lengser !Lantara Si Lengser mahAwak inyana lintuh cara kebo buleud keur reuneuhAtuh Si Lengser mahNgagorolong tehCara berenuk murag di lamping !KaruhanInyana datang pangheulana ka sisi cai !

Top of Form

Ceuk Si Lengser ka nu ragag pandeuri :Warani ?Ceuk Embah Anom jeung Embah Anis :Ke heula !Ulah wara di tanya !Lalieur kenehJeung can eling bener !Puguh ceuk ti heula ogeh, perang baheula mahHanteu cara perang di jaman kiwari !Si Lengser teu tatanya deui !Embah Anis jeung Embah Anom laju dirawu Dialungkeun !Ari Embah Anis ?Inyana ragag di bilangan kiwari tanah serepong !Ari Embah Anom ?Ragag di bilangan kiwari tanah kuripan

Page 35: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Skalereun gunung bubut .... !Bejana mahEngke teh jaradi karamat !Ngan digaranti ngaranLantaran areraeun eleh perang !Jeung lantaran ngaran Anis jeung Anom mahCara ngaran Jaya jeung TubagusEta mah ngaran arinyana di keur budak !Apan ari geus jaradi pangkat mahNgaran arinyana sarejen deui .... !Ari gawir urut Si Lengser diseret jeung digusurKiwari teh aya keneh !Lebah dinya disarebut dereded .... !Anggeus ngabalangkeun musuh nu duaSi Lengser laju ngulon ngalerKarep inyana deuk ngadeuleu beusi aya eukeur ripuhBeusi aya balad keur kawalahan .... !Di lebah urut Si Lengser lengak-longok tempa-tempoEngkena ngadeug lembur anu kiwari ngarana lolongok !Barang Si Lengser keur telag-telogCara bango ngadodoho bangkongInyana kadeuleu musuh !Laju diaruber, dikarepung diarudag-udag !Si Lengser nyumput !Inyana teuleum dina rawa nu loba bolangan !EngkenaDi urut Si Lengser nyumputNgadeug lembur nu dingarana rawa balong !Ti enggon inyana nyumputKadeuleu ku Si LengserMusuh ngaleut keur naranjakNgabondong ka tonggoheunLaju ngarumpul di leubahan anu rataEngkenaDi lebahan dinya nadeug lemburNu kiwari disarebutna bondongan !Sabab di lebah dinya pisan ngarumpulna musuh nu eundeuk ngarugrung bari naranggoan parentah mudu taram !Anggeus mahi batur-batur arinyanaMusuh laju ngarugrug .... !Urang Banten beuki galak leuwih bengisSabab tambah loba nu ngabantu arinyana !Urang wetan leuwih lobaTambah wani tambah galakSabab tambah loba batur arinyana !Urang Pajajaran gehTambah ...... !Ngan tambahnaTambah beak !Sabab hiji ngaganda salikurSalikur ngalawan musuh aya ratusan ... !Nya karuhanUrang Pajajaran geus kalingung !Musuh tingtarekel keuna kuta .... !Der perang dijero eun kutaDi belahan kiwari aya lembur jero kuta !Kuta beak imah beakBeak saung jeung kandang-kandangnaBeak dirakrak jeung dihuru

Page 36: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Diduruk musuh nu lain tanding dina lobana !Ceuk urang Pajajaran :Lengser, Bapa, Aki !Kumaha ...... ?Ceuk Si Lengser :Mundur, batur mundur !Urang mundur ngetan ngidul !Laju urang Pajajaran mararundur NyabrangNyararabrang leuwi Ki Pata HunanKa sabrangeun gintung nu tujuh !Nya amprok jeung Raja urangDi tegalan tungtung kidulTonggoheun cai leutik !Ceuk Raja ka Si Lengser :Ripuh mun kieu mah !Boa-boa urang mudu taluk ?Karunya ka somah !Teu deuk narima batur ka siksa !Ceuk Si Lengser :Pajajaran mah GustiCadu keuna talukSabab buyut ti karuhun !Lebahan Si Lengser nyebutkeun buyutEngke the disarubutna cikabuyutan !Ceuk Raja :Dayeuh geus direbut musuh !Ceuk Si Lengser :Najan dayeuh geus karebutRaja mah teu meunang taluk !Pajajaran teh lega keneh !Lega keneh enggon perang !Terus Gusti terus !Najan perang sabari mundurUrang mundur the lain elehUrang Pajajaran laju mundur .... !Lain mundur kasedek ku Urang Banten jeung Wetan !Tapi mundurKantaran hanteu nanding dina loba !Tah eta gara-garana datang ka engkeUrang SundaTi harita datang ka kiwariKadeseh deui kadeseh deuiKa sakur anu daratangNgaradon hirup di Tanah SundaJeung daratangnaNu ti Kulon jeung ti Wetan !Da bongan urang Sunda keneh jeung Sunda kenehMarantuan anu daratangSina nyampalan di urutna Pajajaran Tengah !Sabab-sababna marantuwan jeung gararantepSina deungeun-deungeun nyarampalan ?Lantaran pada sarieunUrang Pajajaran Tengah jaraya deui !LantaranPada saririk ka urang Pajajaran TengahAnu dina wayah nu bakal datangBarus ngaluluguan Bangsa Sunda !Ngajajarkeun

Page 37: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Anu bener ti nu saralah .... !Jeung lantaran anu saririknaSarieun kaboker sagala salah sagala teu bener !Urang caturkeun deui lalakonnaUrang Pajajaran Tengah terus kadesekUrang Pajajaran Bogor memang kadesek !Lain kadesek ku sabab elehTapi eleh dina papasten .... !Jeung elehnnEleh sotehKadunyaanKapangkatanKakawasaanSalilaGenep jaman katujuh jalan .... !Tah salila etaUrang Bogor PajajaranBaris dijarieun kekesed dina balumbang ..... !Urang kocapkeun deui nu keur marundur !Marundur sabari perangSabari perang mundur ka girang !Nya anjong ka suku gunungKa legok anu nyangkewok .... !Di dinya laju rareureuhBari naranggoan kejo asak diseupan !Tapi henteu kaburu asakSabab musuh kaburu nyusul !Plok !Aseupan ditamplokeunKejona dibawa laju !Blok !Seengna dibahekeunCaina ngocor ka kobak !Tah di lebah dinyaEngkena nadeug lembur anu datang kakiwari disebutna ciseupan !Datang ti kiwari cai dina eta kobakanCaina teh haneut bae !Jeung kitu sabab-sabab datang ka kiwariDi lebah dinya sok loba caweneAri ngejo sok tara asak !Lain teu asak teu bisa ngarerejo !Tepi teu arasaknaLantaran ngarejo tehSok ditaringgalkeun ocon jeung beubeureuh !Urang susul nu keur marundur !Marundur marundur terus ......... !Nya anjlong ka hiji jurangNu gawir-gawirna jero jasaJero leuweung kawung wungkul ..... !Laju nyarieun cukangTina wakung nu karolot jasaTina bengkel parajang tangkalJeung nyarieun cukangTina tatangkalan anu galeuhan ...... !Engkena di lebah dinya ngadeug anu datang ka kiwari Disebutna cukang galeuh !Laju ngararukan ..... !Nyararukang gagancangan

Page 38: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ambeh teu kasusul musuhLaju nyararusup ka hiji leuweungSisi cai lebah nu singkurSeja arinyana eudeuk reureuhEudeuk nyareluk para karuhunBari nyararambat ka para DewaSing hate keu-eung dipangnegerkeunSing diwanikeun hate nu sieunJeung ditangtayunan jero galungan .... !AbehAmun paeh di pangperanganJaga bisa ngilu deuiHutang uyah maray uyahHutang jiwa maray jiwa ....... !Sabab dina marundurLain urang Bogor Pajajaran kadesek perangTapi perang tehApanan sabab manadehHanteu purun dipaksa deungeunHanteu sudi ganti sembaheunHanteu sudi tukeur pangdeuleuHanteu sudi ganti karuhunJeung hanteu sudi nurutan adatBawa deungeun ti tanah sabrang !Jeung lain manandeh ka gantina jamanTapi manandehKa jaman mudu nurut bae jadi badega !Cai leutik lebahan manandehna urang Bogor PajajaranEngkena disarebutna cimanandeh di dinya engkenaNadeug lembur anu sangaran !Laju robah jadi cimanandeKiwari jadi cimande !Lain tina mande mapandeanTapi tina mande nu manandeh ... !

Tunda nu manandeh !Sina naranggoan datang wayah maray hutang !

Top of Form

Wilujeung weungi batur !Bisi aya nu kaperluan keur di mana, kaula deuk ngawaris "Rajah Pamunah"Pieun merenahkeun kabeh dedemit alias jurig !Ajang nu daek baeeee nu mbung mah kajeun.

Kunyit bodas hanet jahePanglay ngaran panglajuanNgalajukeun jeung munahkeunSagala gawe ti beda pikir !Pikir kula di manusaPikir dia di dedemitTeu ku sia deuk kapikirTeu ku sia dipikir heulaKadupak da bongan siaKatajong da bongan siaKadiukan da bongan siaKababuk da bongan siaKatenggor da bongan siaKaciduhan da bongan sia

Page 39: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Kakiihan da bongan siaApan sia mah teu kadeuleu ku mata manusa !Tapi sia anu neuleuKunaha heunteu isedKunaha teu ngabejaanUlah sia eudeuk licikUlah sia deuk anjukanHayuh esotkeun !NyingkahBeusi dibura di mata siaKuciduh reuhak Pajajaran !

Reuhakeun ciduhkeun !!!Musnah sia !

Top of Form

Lajeung

KocapkeunMatapowe surup ka kulon !Nu nyarusup nyareungeut amar ....Samaruk arinyana di anu singkur jero leuweung !Hanteu nyarahoeunKadeuleu ku musuh ti kajauhanLaju disarusulGer perang deui !Paperangan marawa obor !Pajajaran ngaganda terusNya karuhanMudu mundur terus deuiLain mundur hanteu nanding hanteu tandingTapi hante tanding dina bilanganPes !Pas pis pes pus .... ! Pos !Sakabeh obor Pajajaran dipareumanPowekna mani mongkleng jasaMundur sabari ngileusNgileus kajero powek !Ari musuh ?Lantaran powek sagala powekNya kakadek jeung teuteunggeul theHanteu barisa bari deudeuleu heula !KaruhanLoba balad musuh anu marodarDikadek batur arinyana kenehLoba bakad musuh patinggarojod gegerunganDitareunggeulan batur-batur arinyana keneh !Urang Pajajaran mundur terus .... !Mundur, mundur, mundurMararundur di anu powek .... !Tengah jalanPapapag jeung awewe limaanNgarelek samak nyaruhun anngel !Ceuk awewe limaan :Ka marana jeung peuting-peuting ?Ceuk Si Lengser :Ka marana jeung peuting-peuting ?Ceuk awewe limaan :

Page 40: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Eudeuk ngendong !Deuk ngendongan nu hudang ngajuru !Ceuk Si Lengser :Kula geh daek diajak ngendongNgan embung jeung anu hudang ngajuru !Ceuk awewe limaan :Kula geh moal ngajak ngendongDa kabehan boga salaki !Ceuk Si Lengser :Kula geh moal eudeuk ngendong atuhNgan kaula eudek nanyaKa mana nyai jalan buni nu teu herit ?Ceuk awewe limaan :Tuturkeun bae kaula !Tapi ulah parek teuin beusi adek !Ceuk Si Lengser :Moal atuh ! Ngan bisi kapohoanBubuhan nu keur pararowekAya di anu pararowekHalangan bea tah ku anggel .... !Di urut lebahan papah jeung eta awewe limaanEngkena ngadeg lembur anu disarebut panca watiKu awewe anu limaUrang Pajajaran Bogor dianteurDianteurkeun ka gunung jauh ti musuh !Bray beurang !Laju ngareureuhCeuk Raja ka awewe anu limaan :Geus !Datang ka die bae !Naeun hayang piburuheun dia nganteur ?Ceuk awewe salimana :Gusti !Kaula kabehanHanteu hayang di buruhan !Kaula mahSeja ngabakti !Ceuk Raja :Hade !Tapi turun-runday rawayan dia kabehanSakur anu narurut ka kolot arinyanaBaris jember salila hirup !Seug Geus marulang !Di urut eta awewe lima pamitan eudeuk marulangEngke the nadeug lembur anu baris mawa ngaran parbakti !Ti dinyaUrang Pajajaran terus maju ngidul rada ngulon !Sup ka leuweung Jol ti leuweung !Asup leuweung, ka luar leuweung !Unggah gunung, turun gunung !Arasup deui ka jero leuweungKa ruar leuweung !Hante eureun-eureunGunung, leuweung, gunungLeuweung, leuweungLeuweung deui leuweung deui

Page 41: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Leuleuweungan di ruhur gunung !

Tunda !Top of Form

Lajeung batur ti nu geus surup

Teu kacatur di jalannaNgan dicaritakeunSi Lengser leumpang di heula !Sabab inyanaMudu nyacar nyieun jalan pileumpangen !Si Lengser nyacarNyacar, nyacar .... !Panjang jalan nu dicacarPanjang pijalaneun nu mudu dicacarLeuwih panjang manan caritaAmun kabeh dicaritakeunMantak panjang teuin picaritaeunMantak bray kaboro beurang .... !Pamali !Beusi kapiteuheulaan mantareKu nini nini kiih di pipirUrang kocapkeun baeTurun gunung, ka ruar leuweungAsup leuweung, unggah gunung ..... !Laju datang ka hiji leuweung deuiNyao teuin di lebah maaaaana !Leuweung gerotan !Cep tiisJep jemplingGeu-eumanMantak keu-eungMantak sieun ....... !Ngan Si Lengser nu teu sieunNgan Si Lengser nu teu keu-eung !Nyuruncul inyana asupLaju nyacarInyana nyacar ku dua leungeun !Mani but betSabab nyacar the kenca katuhuSabeulah deui gobang !Mani but betLeungen inyana badis kolecerBari suku tetenjag baeTetnjag ajretajretan !Da ngarana gehNyacar jalan jero leuweungLoba langgir jeung bajongbongSireum beureum tingkarayapNgaregelan keuna kanjut !Nyacar Si Lengser gancang jasaDa nyacar tehLain sa nyacar nyacarnaTapi nyacar make parancah !Ceuk Si Lengser :Arasup batur ! Arasup !Urang Pajajaran laju arasup

Page 42: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Keuna galur ngabulumbungJiga gonggo nu golowongBeunang ngacar diparangjahan !Sup ararasupBeuki jero beuki jeroTapi hanteu beuki ngeunah karasana !Sabab beuki jero beuki tiisBeuki keueung beuki sieun !Beuki jero beuki powekBeuki powek remeng remengJeung caang the samar samar !Laju baeKeueung the beuki tambahBulu punduk pating purinding !Beuki tambah bae sieunnaBeuki pasesedek anu leumpangPada pada areumbung pandeuriNu pandeuri harayang di hareupNu di hareup harayang ti heulaNu diais areumbung digilirNu digarendng arembung di tukang !Da sarieun aya nu nyewolSieun aya nu nyungkur keuna bujurSarieun aya nu narik sabari nyiwitKa nu nyempil di sela pimping !Nya lajuna mahSawareh mahLaleumpang teh sabari mundurNgarah kadeuleuMun ti tukang aya nu eundeuk jail !Kabeh pada keueungSakabeh pada sarieun !Keueung na ?Ku lantaran rarasaan bet jati beda !Sarieunna ?Da bongan batur batur pada sieunJadi be kabawa sieun !Ngan Si Lengser bae anu ludeungInyana mah hanteu sieun hanteu keueungCeuk Si Lengser :Ari sieun ari keueungAmun leumpang the ulah nuking !Mudu sabari nyangigir, batur ! Nyangigir !Laju kabehan leumpang nyangigirCara kapiting malipid gawit sisi basisir !Ngan RajaNgan Ki Santang Parabu AnomJeung Si LengserNu laleunpang biasa bae !Da laludeung !Beuki laju beuki powek Beuki jero beuki powekNgan tiluwan anu tadiArinyana mah hanteu parowek !Sabab arinyana mahLaleumpang tehJaradi panjang jalan nu baris karosongJaradi panuduh jalan sapanjang jaman !Jaman Sunda leungiteun jalan !

Page 43: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Beuki laju beuki keueungBeuki bae sarieunnaLajuna mahReg bae pada ngarandegSejen ti anu tiluwan mahUrang Pajajaran sakabehnaPada ngarandegHanteu warani lalaju deuiNgan tiliwan anu warani bae Raja urang, Aria Santang jeung Si Lengser !Si Lengser mahLain wani lantaran ludengTapu ludeung sabab teu haliwuJadi boro boro engeuh lebah nu keueung !Pacet geus sagede kohkol gehNangkol di punduk inyanaSi Lengser mah hanteu eungeuh !Inyana tonggoy bae nyacarNyacar, nyacar ....Mani haliwu bari pakeupisDatang ka hanteu eungeuhNyacar tehDituturkeun Raden Santang Parabu AnomJeung Nyi Putri ewe inyanaJeung ku balad loba salapanJeung ewe arinyana loba salapan !Naruturkeun sabari waniBubuhan nuturkeun dua jago Hanteu ludeung hanteu ludeung ogehSok kabawa ludeung !Ngan Raja nu ngilu ngarandeg !Lain ngarandeg lantaran hanteu wani hanteu ludeungTapi ngarandeg tehRaja urang mahNgabaturan nu teu laludeungNgaburihan anu karederSabab Raja urang mahRaja nu puguh nyaah ka somah !

Tunda nu ngarandegSina di burihan Raja Sunda anu adil !

Top of Form

Lajeung

Urang mah, urang tuturkeun Si Lengser nyacar bae !Najan nyacar make parangjahAri geu datang ka wayah Mudu tepung ka kabeh mudu mahNajan Lengser Pajajaran ogehNya kapaksaNyacar the mudu ngarandegLain ngarandeg lantaran keueungLain ngarandeg sabab teu ludeungTapi lantaran ngadak ngadakGobang jeung parang tehUjug ujug rarompang jeung potong gagangCeuk Si Lengser bari heran :

Page 44: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

E eh naeun jeung nu hanteu teurak ?Laju diilikan !Seeebut cadas da lain cadasSeeebut batu da lain batuSeeebut tunggul da lain kaaaayu !Sebut buleud da puguh lencop ka handapSebut gepeng da puguh ngunggul cara pais bakatul !Jeung di tengahnaAya legok pameulahan !Jeung ari diinget ingetBaruk badis surabaha didempetkeun !Ceuk Si Lengser :Naeun ieu teh batur ?Tapi nu diajak ngomongNaroyod terus !Jiga hanteu ngadarengeeun !Laju ceuk Si Lengser :Sugan tarooooooorek ?Tapi nu diajak ngomongNaroyod terusNarabas leuweung acan dicacarCara badak naratas atas .... !Narayod bae bari ngabuyutBari wani eujeung ludeungDa ngarana gehNuturkeun anu laludeungRaden Santang eujeung Nyi Putri !Si Lengser jadi himengInyana deuk nyacar deuiKu gobang rompang teu make gagangKu parang romping teu make gagangCar sakali car kadua kaliCar car car ka genep kali carParang the ngan kari ngaran !Laju eundeuk nyacar make gobang nu geus rompang !Tapi gobang nu rompingPotong dua bari mecleng !Ragagna ?Ragagna di Tanah JampangNu sapotong pondokRagagna di hiji gunung leutikNu sapotong deuiRagagna di hiji gunung leuwih ruhur !Eta dua gunung engkena disarebut sewang sewang gunung rompang !Ceuk Si Lengser dicowongkeun :Batur ! Batur !Batuuuuur !Tapi nu naroyod terusNaroyod terus !Ceuk Si Lengser :Ja bener taroooooorek !Ngomong sakitu bedasna hanteu kadenge mahNya heueuh bener tarorek !Memang jaradi tarorek !Lain torek sabab torek ngadak ngadak !Tapi torek geh hanteu kadengeSababUrang Pajajaran nyarasabArasup ka jero leuweung nu katelah

Page 45: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Leuweung ci torek !Ari leuweung ci torek ?Lain leuweung sabongdrong leuweung !Tapi leuweung anu monesAmun jero leuweung ci torekJelema ngomong ka jelema deuiNajan ngomong hahaokanNajan ngomong ditamplokeunKeuna ceuli nu parendengMoal eundeuk kadenge soraKu ceuli di hoakan !Da ngarana gehDi leuweung ci torek !Amun aya nu nuwar kayuDi gecok nyeblog bedog inyanaJeung dorokdok gubrag tangkalnaMoal nu nuwar eundeuk ngadenge Gecokna sora ti bedogGurubugna sora nu rungkad !Da ngarana gehDi leuweung ci torek !Leuweung ci torek anu baheula !Nyaooooo di leuweung ci torek nu kiwari mahUrang caturkeun deui Si LengserInyana luak lieukLaju gegerowan :Batur hwueueueuew batur !Baruk bet jadi keueung batur ?Ceuk Si Lengser bari gegerowan :Ulah keueung heuheuh !Ceuk Si Lengser keneh bae :Ari keueueueung huhuh !Ceuk Si Lengser keneh bae bali culak cilek :Camahan ! Camahan atuh !Laju satiung ku daun bolangLaju Si Lengser ngudar cangcut inyanaGurinjal padongholLol ngagayotBadis sayang tawon rerabkeuneung !Bari nyamahan beungetSi Lengser ngarawel daun bolangLaju ditiungkeunKakara inyana engeuh !Ceuk Si Lengser :Hohhoh hehheh !Ihiiih baruk ieu mahGeuning leuweung ci toreeeeek !Laju kadeuleu ku inyanaRupa rupa deudeuleuan anu tadi hante kadeuleuTing arayun ting gayabagTing garayang ting gayabagTing kodongkang ting kojengkangTing jarebe ting baregegJeung patinjalawak empot empotan !KadeuleuAnu manyong anu menyengAnu bentelu tapi pacerAnu mononod cara terong ....Beuki gede beuki panjang

Page 46: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Cuculagetan cara hileud jeungkal !KadeuleuAnu ceper namarok meberAnu muncul nyuat di handapAnu kandel bari pengkeurAnu kandel tap beyeAnu peyot mani hepe ..... !KadeuleuNu jambulan ngan diruhurNu buukan jiga jabringanNu buukan tapi parondokNu buukan tapi carang .....Jeung nu garundul euweuh buukan !KadeuleuNu jangkorang nyaruncung huluNu bareke garepeng hulu .....Tapi anu panglobana mahAnu badis bae supa pare ka tungtungna .....Kabeh kabehTing palotot ting arelelArenyet nyarampeurkeun ..... !Ceuk Si Lengser :Heuheuy eta siiiiiiiiia !Dedemit jurig eujeung silumanJurig jarian eujeung kelong .... !Dewek nyaho di ngaran sia !Ngeser !Awas siah !Amun heureuy pangangguranAmun jail hiri dengkiSia ku dewekDibekok .... !Ci torek jeung leuweungnaLeuweungna jeung eusinaSakabeh jeung sia ......Pajajaran anu boga !Hayuh !Ngeser ....... !Laju Si Lengser ngareuhakBari nagreuhak sabari hitutMani paburiyak saeusi leuweungNyarusup pajauh jauhNyarumput pabuni buni !Ti dinyaLaju Si Lengser nyampeurkeun RajaCeuk Si Lengser ;Katalimbang Gusti !Mulang deui !Ieu leuweung loba eusinaLoba jurig jeung dedemit !Laju urang Pajajaran nu ngarandeg teaMarulang deuiMarundur deui marapay galur .... !

Urang tunda heulaKeun sina marundur deui marapay galur !

Top of Form

Page 47: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Lajeung batur di powek mongkleng !

Urang susul ayeuna Raden Santang Parabu Anom Aria Cakrabuana !Keur Si Lengser nyinglarkeun saeusi leuweung ci torekRaden Santang mah noyod terus .....Bubuhan anu ludeung !Ki Santang noyod terus !Dituturkeun ku nu ngariluBubuhan ari nuturkeun Jawara mahHanteu ludeung ogeSok jadi rada ludeung !Digerowah ku Si Lengser !Da puguh di leuweung ci torekAtuh hanteu kadarengeeun !Raden Santang Parabu AnomNoyod terus ...Dituturkeun ku nu ngarilu ..... !Leumpang arinyana ?Nutur nutur galur maungMapay mapay lacak badak .... !Nya laju anjlug ka hiji lebah anu lega !Eukeur lega diriung gunungJeung pasir pasir di beulah hilir !Di inyana deuk ngababakan !Tapi aya sora euweuh rupaNu nyarita ka inyana :Acan wayah !Kapalang !Lalakon tinggal sababak !Siyar heula ku diaDi nu singkur tapi subur !Tah di dinyaDia meunang ngababakanNgarawaykeun turunan dia !TapiDi lemah nu ngeplak bodasNgan dia sakuren dia nu meunang cicing !Nu sejen mah Mudu misah !Sina arimah imah hanteu jauhDi tegalan karungrumanKu rurungkunan wungkul baduyut !Di dinyaDia sakabehanGaranti ngaran !Laju dia kabehan pada alokHanteu nyaho Pajajaran !Sababna ?Sabab PajajaranMudu heula salin ngaranMalih wawangi nu kasili .... !EngkeDi jaman kembang tarateDiparake nukeuran beyasBaris aya kembang jadi buwahDina tangkal gedeNu buahna teu usuman !Tapi saban usum buwah buwah ngabeungbeureumanDi tangkal eta

Page 48: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Mudu bae aya buwahDiweureueun ka nu jarayaTapiNgabeuntakeun anu lalolongJeung ngahejarkeun sakur nu nineung !Salila lemah lebah caweneCan digarap ku nu baroganaBawa ku dia ngaran BataraIbarat cikal dina bancul !EngkeDi jaman anu mudu keneh kasorangAya wayahRawayan dia mudu nepungan hiji barayaNu ngalalakon bari dilalakonkeunTah inyanaNu nyekel tulak ka PajajaranTapi euweuh saurang anu areungeuh !SababNajan nyembar pangabisaNajan unggul di pangaweruhEuweuh inyana nu ngajenan !Sabab imah inyanaDihateupan ku haneuleumDitihangan ku hanjuangDipantoanBatu satantungAyana di birit leuwiKi Patahunan anu baheula !Samemeh datang wayah etaRawayan dia barisMoal suwung suwung ku cocobaBaris saban saban kadatangan semah !Aku ! Da ngarana geh semah !Tapi sing waspada !Sabab arinyanaHarayang nyahoSaha rawayan dia, saha Pajajaran !Jeung arinyanaAya nu baris mamaksaRawayan dia garanti cara sineumbah !Inget !Rawayan dia ulah wara sina muka rahsiahMun can tepung jeung nu nyekel tulak .... !Laju Raden Santang jeung nu ngariluNarindah deuiNyariar lebah nu bodas lemahna !Tunda !Keun sina ngababakanSaaeun urang engke jaga ..... !Urang teang deui nu ka raruar ti jero leuweung !Urang Pajajaran eujeung Raja jeung Si LengserKa ruar deui ti jero leuweungLaju narindak datang ka hiji gunungLaju ararunggah ....Beuki ruhur beuki ripuhJeung ngadak ngadakDatang sasalad ....Anu arunggah jadi barongkokNu marudun jadi saronggeng ...

Page 49: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Kolot budak nyareri cangkeng !Ceuk Raja :Euweuh nu mawa jajamu ?Ceuk Urang Pajajaran sakabehanSakabehan di barengkeun :Euweueueueueuh .... !Ceuk Raja :Mana Si Lengser ?Ceuk sakabeh urang Pajajaran dibarengkeun :Euweueueueueuueh .... !Si Lengser memang euweuh Lain euweuh sabab paeh nyeri cangkengTapi euweuh hante kadeuleu kadeuleu !Inyana asup ka leuweungHanteu lila kurunyung deuiDina hulu nyuhun buntelanNu dijieun tina iket inyana !Dina tonggong ngagandong buntelanBunteulan tina jemang inyanaLeungeun kenca nyangkeh buntelanBari leungeun inyana anu katuhuNgabunian buntelan sagede nangka meujeuh angeuneunJeung di ruhurnaAya jambulan .... !Mantakna dibunian ku leungeunSabab samping inyanaCeuk tadi gehApanan dipake buntelan ..... !Gubrag !Tilu buntelan digubragkeunApan anu jambulanEta mahBuru buru diselapkeunDikempit tukangeun pingping !Eurula ......Eusina buntelan anu tiluKu Si Lengser diborolokeun !Ari eusina ?Dangdaunan jeung akar akaran !Ceuk Si Lengser bari diuk lain nagog lainDa jiga eukeur diuk dina jojodog tanggung :Tah ubarna !Ki beuling eujeung ki centangMemeniran jeung kumis ucingCampurkeun jeung akar pungpurutan !Godog, godog !Caina mudu satihangNginumna disakalikeun !Pieun saurangan !Pieun duaaneun ?Caina dua tihangNginumna disakalikeunTah eta tumbal nyeuri cangkeng !Tah ieu gandapura !Tumbal keneh nyeuri cangkeng !Daunna jeung akarnaDirijeus make cikurLaju balurkeun dina cangkeng !Tah ieu jawer kotok !

Page 50: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Tumbal awewe ararateulDina lebah dedengkatan !Jawer kotol leob heulaLaju gileus gileus sina leumpeuh !LajuGosok gosokeun lebah nu ateulDirurukeun lebah nu ateul .... !Amun ateulna renjen baeWewelkeun ....... !Ieu akarAkar pangpurutan kembang paulTumbal pieun aki akiAnu resep kenehEundeuk eundeukan bari nangkuban !Godog, godog !Cara tumbal nyeuri cangkeng ka hijiIeu kembang ? Kembang pungpurutan anu paul !Rinjeus ! Laju dipake ngurutSapanjang gagang datang keuna beuheungna !Tanggung heuras cara tiwu bodas !Ieu akarAkar pungpurutan kembang bodas !Tumbal pieun si niniAbeh dipisono ku si aki !Godog !Campurkeun heula pangglay sateukteukEujeung pepel parareungkeurCara anu munding cawene kenah !Ari ieu pucuk baluntas ?Tumbal pieun ngubaranBau awak bau kelekBau di lebah sakur buluwanBau kesang mani hangru !Ngubarkeunnana ?Lalab ....... !Anu kieu ?Jajamu ngan kari jeduh !Dijeduhna tina Buwah kalengkengAkar caremeSiki areuy tuwa lauk !Paranti nyuguhan semahAmun hayang dibui ....... !Ari anu kieu ngarana koneng bodas !Parud ! Laju balurkeunKa awak budak anu keur tampek !Inumanana ?Gogogan akar eurih eujeung seureuhDicampur daun sagaSakalian ubar batukna !Mun nu kieu ?Ngarana the regeg salakTumbal mitoha anu bawel ..... !Rojokeun be keuna palangkakanana .... !

Tunda deui batur bisi kaisukan !Bari nanggowan godogan asak, eujeung ngadedengekeunAya ragag salak dirojokkeun ..... 

Page 51: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Top of Form

Lajeung !

Gunung urut Si Lengser nyiyar tumbal kiwari aya keneh !Nyaeta anu kiwari dingarana gunung tumbal !Nararincak ngidul wetanNgidul ngetan rada ngaler .....Arunggah deui ka hiji gunungSi Lengser unggah pangheulanaSeja inyana deuk neuleu ka mana jalanPiwalujaeun bari teu heritSorangeun jaga Bangsa SundaSalila jaman Sunda pahili deuleHanteu ragam sababaturanLaju ku bangsa deungeunKasili deui kasili bae ..... !Ti mumunggang bahe ngetanKadeuleu ku inyanaKuwung kuwung ngundak tujuhJeung ngembatna nyela bumiJiga ungjah tina sagaraJeung nutugna nimus halimunKeuna logak karimbunanDina langping hiji gunungHanteu jauh ti tegalan anu engke jagaBoga ngaran tegal raranganJeung baris dicirianKu caringin tujuh rampag jarangkungDi delang salapan Ki HaraNgajajarna papageran ...... !Urang Pajajaran mani areuwehNeuleu kuwung kuwung ngundak tujuh !Kabeh pada lalajoPada neuleu mani ngabengbrengNgabengbreng ti ruhur gunung !Gunung urut urang Pajajaran neuleukeun kuwung kuwungKiwari aya kenehNgarana geh gunung bengbreng !Meujeuh kabeh pada euweuhKa Raja nyampeurkeun Nyi Putri pangais bungsuPangais bungsu ti nu katujuhSaha ngaran inyana ?Kabejaeunana mahNyi Putri Gandrung Arum !Ceuk Nyi Putri :Rama Gustiiiii ..... !Kaula deuk menta widiHayang ngababakan di lebah ituLebah kuwung kuwung nutug tujuh !Seja kaula eundeuk tapa !Kaula menta pibatureunTujuh pantaran kaula !Ceuk Raja :Nyai !Ngaing moal ngahalang halang !Seug !Geura pilih pibatureun !Nyi Putri laju milih !

Page 52: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Milih milih .... Tujuh kali inyana milihTujuh kali milih deuiNya dipilih :Tujuh cawene nyampeurkeun mataSabab galeulis nyeples Nyi PutriPangawakan nyeples Nyi PutriSagala gala nyeples Nyi PutriNyeples Nyi Putri ka sora sora !Ngan ayaNu dihaja sina bega !Nya etaDina karang nu leutik jasa !Sewang sewang baroga tandaKarang leutik ciga bentangNu ngagenclang najan beurangEujeung caangna nu caang .... !Karang tanda Nyai PutriDina tengah tengah tarang !Ari tanda karang nu tujuhanSewang sewang aya lebahnaAya nu dina pipi kenca deukeut gadoAya nu dina punduk beulah katuhuAya nu dina susu nyeungseung beulah kencaAya nu dina tukangDina birit demplon beulah katuhuAya nu dina beuteung deukeut ka etaAya nu dina pingping deukeut ka etaMalah anu saurang deui mahDitengah tengah nya eta tea .... !( Heu euh eta eta inyana tea ..... ! )Anggeus milihNyi Putri nindakCeuk Raja :LengserEta lebak urang ngarananLebak Cawene !Salila Nyi Putri encan purunBabakan inyana kasaba semahSalila kituEta babakan di lemah etaMoal deuk bisa kasorang jelema anu nyiyar !Tapi engkeEta lebak di eta lemahBakal kasaba teu dihajaKu aki aki ngora kenehJeung ku budak angon nu janggotan !Tah eta duaanNu ngan baris nyararahoDina rupa eujeung lebahDina ngaran Lebak Cawene !Eta aki aki ngora pangabisaEngke inyana bakal nujahTapi ka budak angonAnu unggul pangaweruhInyana bakal katukah ...... !Engke gara gara aya kutu unggah gunungEta aki aki baris kadongdongInyana baris jadi gara garaAnu ngagara garakeun Sunda

Page 53: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Paseya jeung urang Sunda keneh !Bangsa Sunda maseyanBangsa Sunda deui !Budak angon anu belaInyana bakal jadi puragaSabab inyana sanggup jadi puragaDina bela melaan Pajajaran .............. !Lebak Cawene di Lemah CaweneLaju euweuh nu nyaraho deuiSabab budak angonMawa rasiah inyana ka jero kubur !Tapi dina tutunggul inyanaBaris ngelak bae gagakNitah ngorehkeun deui karehaneunDina kalangkang Paku Jajar Ki Pahare .... !Sabab dina kalakay Hanjuang SijangKu budak angon kungsi kabacaWayah bentang baris nuduhkeunPijodoeun Nyi Putri Gandrum Arum ..... !

Urang Tunda nu ngababakan !Keun nu geulis sina jongjon tararapaBari ngadarenge dengekeun wayah gagakAnu baris ngelak di kuburan ...... !Lajeung batur !

Urang mah, urang lajukeun nuturkeun Si LengserAnu anggeus turun laju unggah deuiTurun gunung unggah gunungAsup leuweung ka ruar leuweung ...Laju arunggah deuiKeuna gunung di beulah wetanBeulah wetan nyecep tiisMani tiis najan tangariUrang Pajajaran ararunggahRunghap runghap bari tirisTapi aus teu eureun eureun ....Laju saban reureuhNginum deui nginum deuiDatang ka beuteung arinyana barungkiyang !Lajuna mahSakabeh teu eureun eureunPada harayang kiih bae .... !Laju karariihKarariih sabari nagogKarariih sabari nangtungKarariih sabari leumpangKarariih teu kaburu nyingsat nyingsat acan ...Nya karuhanNgariihan samping di jero samping .... !Ceuk urang Pajajaran :Lengser ! Bapa ! Aki !Ceuk Si Lengser :Kariih mah kariih beeee .... !Montong teuin sabari nagogSabari leumpang geh bisa !Ngan mudu leumpang sabari ngagegangEujeung birit teu kakiihan .... !

Page 54: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Gunung urut urang Pajajaran karariih bae, kiwari aya kenehNgarana geh gunung beser !Ceuk Raja :Lengser !Ulah turun gunung unggah gunung bae atuh !Ngaing bisa begkok dina cokorBisa bengking dina tuurEujeung bengkok tina bobokong !Yeuh, ngaing nyeri cangkeng reureundahan !Nyiar atuh jalan anu rata .... !Ceuk Si Lengser :Gusti !Di ieu jagat mah euweuh nu rata !Aya geh rata rataRata rata pada sarakah !Ti gunung beserUrang Pajajaran nararindak rada ngidul !Nya anjlog ka sisi walunganLebahan wahangannana memang legaJeung ngocorna kenceng jasaCeuk Raja :Kumaha ... ?Ceuk Si Lengser :Kieu .... !Laju gawir sabrang wetan anu kidulDiratik ku Si LengserAbeh wahangan teu lega teuinSina mahi heureut pieun nyabrang !Laju nyarabrangTapi saban nyabrangLaju bae pada katarik caiAnu nyedot cara cai di pamontenganSabab wahangannana jadi heureut ... !Nu nyarabrang katarik caiTepi euweuh saurang geh anu palidSabab sakur aya nu eudeuk ngaleyong ngagaleyongKu batur batur geuwat ditarik !Ceuk Si Lengser :Amun kieu bae mahSaban saban katarik bae caiMoal eudeuk urang bisa datang ka sabrang !Laju inyana ngagulutukkeun batu gedeNu gede na gede jasaSok di tengah tengah wahangan !Ceuk Si Lengser :Luncat batur luncat !Nyabrang the bari laluncatan !Nya kabehan pada laluncatCara lutung laluncatan .... !Anggeus kabeh pada nyabrangSi Lengser eudeuk mulangkeun batu ka urutnaLaju mapatkeun ajian !Tapi hanteu engeuhTadi the eukeur nantung di sabrang kulon anu kaler !Ari ayeunaInya aya di gawir sabrang wetan anu kidul !Atuh najan ajiannana benerWayah mapatkeunnana benerTapi

Page 55: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ari nyanghareupna hanteu bener mahAtuh kajadiannana tehHanteu bener !Lain batu unggah deui ka urutDina gawir sabrang kulonTapi batuBabtu nyuruntul ngudag Si LengserDina gawir nu beulah wetan .... !Ku ajian salah nyanghareupLain gawir wahangan nu beulah wetan anu mundurAri Si Lengser ?Lantaran nepak dina ajianInyana mah hanteu kabawa mundur dina gawirTapiGujubar baeRagrag ti gawir nu eukeur mundur !Batu gedeNu nyuruntul di cai nu ngocor kencengGeus parek jasa ka Si LengserReg ! Ceuk Si LengserBatu the laju ngarandeg !Laju ceuk Si Lengser :Ayeuna kieu !Cicing sia didinyaPieun tetegr ka anak incuJadi panuduh ka nu narineungNu narineung ka Pajajaran !Isukan barehing pagetoLebah dieu bakal jadi siru hiyangEngon sia nanggowan wayahBoga ngaran batu nunggul !EngkeDina jaman Uga Uga NgawarugaSia mudu timbul deui !Sabab anggeus wayahBakal mukaPanti ka gedongRame masar di palabuhan !

Tunda !Urang tangowan mukana pantoPieun nempo ka palabuhanAnu rame ku pasaran .... !

Tapi,Amun urang Sunda deuk sagalaNunda deui nunda baeSagala gala Deuk ditanggowan baeMantak Bangsa SundaCara batu paluncatan ...Beuki ngalelep beuki ngalelepDitarincak ku sakur anu laluncat .... !Bangsa Sunda mudu timbul deui !Tapi lalakon urang Sunda panjang keneh !Amun kabeh ditunda tunda deuiIraha atuh piangeuseunnaaaaaaaaa ?

Page 56: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ayeuna mahAnu panjang urang teukteuhAnu pondok urang congoanAnu heureut urang tileupkeun .... !Beusi kaboro beurang !Pamali !Mantak kapuheulaan mantareKu nini nini nundutan kenehAnu kiih kasalahan .... !Baruk inyana meureun conggangAri horengKeuna sungut aki akiNu keur kerek bari nyalangap ... !Urang tuturkeun deui bae Si LengserAnu leumpang deui panghareupna !Sabab inyana mudu terus bae nyacarNyaangan djalan nu masih keneh mudu disorangKu urang Pajajaran jaman haritaKu urang Pajajaran jaman kiwariKu sakabeh urang PajajaranNu tingsalindung di ngaran Sunda !Leumpang Si Lengser maju ngidulRada ngidul rada ngetan ....Nya engkena tehAnjog ka palabuhan anu legaApluk aplukan lega jasaNgan heureutanManan tegal Si Awat awatDi lebahan anu upluk uplakJeung legana satungtung deuleuLoba gunung eujeung pasirLoba leuweung jeung tegalanSaling saling seselangan .... !Ceuk urang Pajajaran :Lengser ! Aki ! Bapa !Urang the lebah mana ?Asa rarasaan cara di urang ?Ceuk Si Lengser :Karuhan !Taneuhna leuweungna jeung gunungnaJeung sakabeh anu kadeuleuEmang geh urang nu boga !Ceuk urang Pajajaran :Ku naha atuh sejen rarasaan ?Ceuk Si Lengser :Sabab ieu taneuhIeu teh taneuh warisan !Urut baheula Sang Hiyang Ciung WanaraJeung Sang Hariang BangahSaling awaskeun ti kajauhanMemeh galungan di sirah Ci Kangsa !Tah eta the sabab sababnaIeu taneuh disebutna taneuh Jampang !Laju nanarindah deuiAya anjog engke the ka hiji curug !Reg kabeh pada ngarandegLain ngarandeg deuk rareureuhTapi lantaranRaja urang

Page 57: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ngadak ngadak ambek rosa .... !Ceuk Raja bari ambek jeung popolototPopolotot molototanKa sakur nu kadeuleu ku mata Raja :Pieun nahaeun ngaing jadi RajaAri hanteu boga Nagara mah ?Ngarah naeun ngaing leuleuweunganLeuwih hadePerang deui ..... !Ceuk Si Lengser :Kapiran !Anggur pikir sing lantip !Naeun pibatieunanaAmun perang ninggang di eleh deui ?Sabab perang GustiLain perang lantaran waniTapi lantaran kajurung napsuDipadaya ku amarah ... !Ceuk Raja :Ngaing deuk mulang deuiMapag musuh nu nyarusul .... !Sabab Amun Nagara teu direbut deuiMoal deuk ku ngaing kabogaan deui !Ceuk Si Lengser :Ulaaaaah Gusti ulah !Balad urang kari sakieu !Tapi musuhBalad arinyana tambah lobaSabab arinyana mahLain bae perang make gobangTapi bari ngawur ngawur duwit ejeung jangjiNgabengbat somah anu elodan .... !Kiwari musuh tehTiiiiiiiiiilok jaya musuh theMoal deuk buntu saumur umur ?Ceuk Raja :Eudeuk jaya eudeuk apesKu maha ngaing beeee ...... !Tapi Nagara mudu direbut deui !Ceuk Si Lengser :Heu euh ngarti ngartiii .... !Tapi dengekeun Meyong teh gagah najan galakTapi najan gagah najan galakTara maung deuk ngahajaCampurkeun pibaheulaeun nu inyana nyaho !Tiiiilok eudeuk maung asup keuna gorogolAmun unyana nyaho keur ditaheunan ... ?Yeuh dengeukeun !Najan dia nu jadi RajaTapi hanteu muuuuuuduBalad urang anu ngan kari sakieuSina pararaehDina melaan anu lain belaaneun deui !Gusti dengekeun !Memang dia nu jadi RajaMemang dia sagala wenang !Tapi eta kawenangan

Page 58: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Aya wate aya wayah !Lain di wayah eukeur kiiiiieuMudu dia sakarep karepSapedah dia nu sagala wenang !Balad urang the kari sakitu Tuh deuleu .... ! Kari sakitu !Ulah dia nurutan peusingBener sireum sahunjur lobana mangjuta jutaKu peusing sahijiMemang bisa ledis !Tapi sing inget !Kumaha awakna peusingKumaha awakna sireum ?Sakumaha gedena peusingSakumaha leutikna sireum ?Eujeung ulah pohoAnu Nunggal Maha AgungGeus ngamudukeunMoal peusing hijiEudeuk paeh ku sireum loba sajuta !Gusti !Nagara Pajajaran Tengah tehNgaran Nagara urang di jaman baheula !Ari legana mahSakitu keneh sakitu kenehTi darat datang jauh ka tengah sagara !Tah eta kabeh tehBoga dia keneh dia baeeeeee ... !Urang nyabrang !Urang ngadegkeun deui dayeuh di nusa larang !Pieun nanggowan wayahAsak samangka beulaheun lima .... !

Tunda !Paralun Raja !

Lajeung batur !

Raja beuki ambek bae !Lain ambek ka Si LengserLain ambek lantaran dipapatahan !Tapi ambek beuki ambekSabab nyeri tambah nyeriMudu eleh sabab di hurup .... !Amun musuh ngan sanagara mahLain musuh anu dibantuwan tilu nagaraEleh gehTeu panasaaaaaaaran ... !Parabu Agung Siliwangi Raja SundaInyana mundur kadesek .... !Mudu eleh ? Eleeeeh .... ?Lain Parabu Agungna anu elehLain Raja Sunda anu eleh !Tapi memang Bangsa Sunda anu mudu elehKadesek di Jaman haritaKadesek di Jaman kiwariMalah eleh

Page 59: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Di jaman nu eukeur datangKadesek kaelehkeunSalilana opat jamanNu kabelnaOpat kali jangkep 100 taun ..... !Raja Pajajaran ambek jasaKeur ambek bari tetenjrag ....Datang taneuh salega jampangMani eundeur cara keur lini !Loba lebah anu urugLain urug taneuh ti ruhurTapi arurug patinggerebroBlangblong cararopong di jero taneuhCara sumur di handapeun kulit taneuh pangluhurna !Tah kitu sabab sababna datang ka kiwariDi tanah jampang loba lahan ngadak ngadakCararopong euweuh nu ngaliJariga sumur euweuh dasarna !Ceuk Raja :Mun Nagara geus karebut musuhTapi ngaing teu ojah baeLengserPajajaran baris musna sagala galana !Malahan engke di jagaBakal dipararungkir urang dihurup !Bari dipajarkeunCeunah lain arinyana mararaksaLain arinyanaNitah ganti sinembah bari gobang di abar abar !Tapi Pajajaran musna tehLantaran ngalawan Sembaheun anyar bawa arinyana !Lengser !Saha anu jaga deuk jadi saksi ?Pieun mere nyaho saheu euhnaLain Pajajaran nu nangtang perangLain mungpang boro bedegongLain hanteu purun ganti SinembaheunLain ngalawan Sembaheun anyar !Tapi sabenerna saheu euhnaPajajaran tehManadeh keuna dipaksa !Lain sembaheun anyar nu teu di akuTapiPajajaran teu sudi ganti Sembaheun !Ari bari mudu jadi badegaNgagung ngagung nu ku urang mawa etaSembaheun !Lengser !Amun ngaing mudu ngawaro siaTeu beda anging the sikiDipelak jero pirunan hurung !Tilok eundeuk bisa jadi pepetetan !Ceuk Lengser :Gustiiiii ... !Lalakon urang geus digalurkeunDitetepkeun ku Nu nyieun lalakonLalakon jagat PajajaranLalakon alam Sunda Papantunan !Urang Gusti anu ngalalakonna !

Page 60: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Lain urangAnu nyieun lalakon mah !Anu nyieunna mahTuh itu Nu di ditu ......Nu Kawasa Sagala WenangNu Ngusikkeun Nu MalikeunNu Nguripan Ngahirupkeun .... !Mun ceuk Inyana mudu kieuCeuk Inyana mudu kituSaaaaha nu eudeuk bisa mungpangJaya atawa apes .... ?Hanteu biiiiisa siki jero pirunan hurungDi buritna jadi pepetetan ?Gusti ! ( Curuk Si Lengser bari nunjuk ka ruhur )Hanteu mudu bahan pieweuheunAri gawe Inyana eundeuk dikitukeun mah !Geura !Kabeh cai !Nameh jaradi walungan gedeBijil heula tina liangDi pagunungan anu jauh ti muharana !MuharanaNgocorkeun keuna sagara !Tetela cai anu ti gunung sakitu jauhGeuning bisa datang ka sagara jauhBisa tepung eujeung laut !Tapi laut ? sagara ?Tiiiiilok eundeuk bisa nganjangKa sirah cai walungan anu di gunung sakitu jauh ?Tapi amun anggeus datang keuna wayahDiusikeun ku Anu Nyieun lalakonNgan saseblok GustiNajan di daratan anu anggangRuhur gunung anu jauhSaseblok Gusti ngan saseblokKu sagara bisa kalimpas ..... !Ceuk Raja bari neuleukeun curug :Heu euh !Tapi nahaeun atuh gunanaDi Nusa Larang naded dayeuhTapi Nagara nga saribak ampok ampok ?Ari anu lelegana direbut musuh .... !Amu Nagara lelegana jeung dayeuhnaGeus karebut musuhNagara Nagarana bakal leungit digaranti !Leungit ngaran NagaraOge leungit ngaran ngaing ... !Ngaing deuk mulang deuiSorangan !Ka sia LengserNgaing mihapeAmun ngaing ninggang di apesMudu jadi babatang di tegalan pangperanganJaga ku sia sing ngaran PajajaranUlah bisa datang ka laas diusap jamanUlah bisa lebur ngawun ngawunUlah beunang ku angin dibawa leungit !Ceuk Si Lengser :Urusan ngaran Pajajaran mah

Page 61: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

Ulah salempang !Loba tukang mantun ieuh !Tapi amun eudeuk perang sorangan baeUlaaaah ...... Sabab kapiran !Geura .... Tegaskeun atuh !Tina dengdekna matapoweTina baranangna bentang janariTina handuru maung ngagaur parek ka isulTina manuk dudutsora nyalatokApanan geuning sakitu angeus tetelaUrang the eukeur malang dina apesMun ngalawan musuh meujeuh keur jaya !Leungitan ngaran mahUlah salempang, sabab Ngaran hade teh pamere baturNgaran goreng mah rekaan musuh !Ari ngaran Gusti mahApanan SILIWANGI .... !Lain wawangi anu kasilih !Tapi Sili dina harti basa urangBasa urang Pajajaran !Harti Sili di basa urangNya eta Langgeng !Ari WangiMudu dihartikeun ku basa urangUlah dihartikeun ku sejen basaNajan saruwa dina Sundana .... !Sabab Wangi basa PajajaranHartina teh Kasucian anu Sajati !Ulah salempang ! Ngaran Gusti moal leungit !SababNajan dilebur ku nu harasudMoal ngaran Gusti baris leungitMoal musna ku supataMoal leungit ku panglarang !Lantaran saban jamanWangi deui Wangi deuiTina Pakujajar beukah kembangEujeung baris tetep bae langgengDiaweuhkeun ku celuk Pantun .... !

Tunda !

Pamujan Parakan Jati Sindang Barang, sebagai termpat peribadatan Jati Sunda dan Kadaton di luar Dayeuh Pakuan.

Dalam Rajah Demung Kalagan ( Pantun Ki Kamal ) nama Sindang Barang sudah disebut sebut sebagai Mantra pembuka dan penutup.

"Ulah Sindang Barang geusan tata pangkat diganti deui, sang pamunah sang darma jati, tanah lemah tutup bumi, tutup buana dat mulusna ..."

"Jangan Sindang Barang sebagai tempat awal ( Agama Sunda ) diganti lagi, yang mensucikan sang darma jati, tanah tempat penaung dunia pengayom alam

kesempurnaan ..."

Rajah tersebut membuktikan bahwa Sindang Barang adalah tempat suci bahkan dianggap sebagai penaung dunia dan pengayom dari segala kesempurnaan, disebutkan

Page 62: 76204801 Carita Pantun Bogor Ngahyang Na Pajajaran

pula Penata kesuciannya bernama Sang Darma Jati sesuai seperti yg terdapat dalam Pantun Gede Tunggul Kawung Bijil Sirung yg menyebutkan :

"Babalayan Sanghyang Parakan Jati Mandala Suci Pamujan Kadatuan Sindang Barang, saluareun dayeuh Pakuan, saha tah anu ngeuyeukna ? Nya inyana Pandita Agung anu

ngaran inyana Sang Kumara Jati tea, nya inyana oge anu ngabebenah Sanghyang Talaga Tampian Dalem salebakeunnana .."

"Babalayan Sanghyang Parakan Jati Mandala Suci Pamujaan Kadatuan Sindang Barang sebelah luar ibukota Pakuan, siapa yang mengurusnya ? Dialah Pendeta Agung yang

namanya Sang Kumara Jati, dia lah juga yang memperindah Sanghyang Talaga Tampian Dalem di sebelah bawahnya .."

Dengan itu semua telah memperjelas bahwa Sindang Barang sebagai tempat Suci memiliki Balay Pamujan inti Sanghyang Parakan Jati dan Sanghyang Talaga Tampian Dalem dengan Pandita Agungnya Sang Kumara atau Darma Jati. Mandala Parakan Jati

merupakan tempat peribadatan Jati Sunda wilayah Kadatuan luar dayeuh Pakuan, Kadatuan Sura Bima Sindang Barang.

Dalam Pantun Gede terdapat berita bahwa salah satu Raja Pajajaran bernama Parabu Rakean Heulang Dewata dipendem ( dimakamkan ) dekat Sanghyang Talaga Tampian

Dalam ( parek ka Sanghyang Talaga Tampian Dalem ) Raja ini yang dikenal umum dengan nama Ratu Dewata Buana. Ratu Dewata Buana setelah 12 tahun dipendem jasadnya di bakar untuk disempurnakan seperti kebiasaan pada ajaran Jati Sunda.

Di Kadatuan Sindang Barang juga Prabu Wisnu Brata memerintah Nagara Sunda yang berpusat di Pakuan "Sanghyang Saka Bumi", Parabu Wisnu Brata adalah yang membuat

Pamujan di kaki Gunung Sanghyang Purwa ( Gede ) disana ia mendirikan Balay Pamunjungan Arca Domas di kaki Gunung Parangguh ( Pangrango ) dengan Brahmasta

Pendeta Agung yang bernama Sang Jati Jatra.Pada akhir pemerintahannya Parabu Wisnu Brata menyerahkan Tahta Kerajaan kepada

keponakannnya bernama Parabu Kalang Carita, Raja ini lalu kembali menempati pemerintahannya di Karaton Pakuan Pajajaran.

Dengan banyaknya tempat penting itu Kampung Sindang Barang sarat dengan peninggalan peninggalan tradisi megalitiknya seperti yang banyak diketemukan saat ini,

seperti batu batu dari bekas lokasi Pamujan pamujan dahulu. Sindang Barang sejak Pakuan Pajajaran mulai berdiri pada abad ke 7 oleh Tarusbawa sudah berfungsi sebagai Kabuyutan Jati Sunda, sebagai kelanjutan dari Kabuyutan Galunggung, Kabuyutan Arca

Domas di Gunung Sanghyang Purwa ( Gede ), Kabuyutan Gunung Padang Cianjur, Kabuyutan Kuta Gogelang di Gunung Bunder dan Kebuyutan tua lainnya. 

Disamping itu sebelum Kabuyutan Mandala Kihara Hyang karya Siliwangi upacara upacara besar Agama Sunda Pajajaran seperti Tata Kinariyan, Tata Duriya, Bakti Astuta,

Bakti Arakana, Guru Bumi, Kuwera Bakti dan termasuk upacara upacara kecil lainnya terpusat di Kabuyutan Mandala Parakan Jati, selain di Kapuunan kapuunan di luar

lingkungan Kadaton.

Di sini pula Putra Padmawati ( Kentring Manik Mayang Sunda ) memilih tinggal di Kadaton Sura Bima di Sindang Barang bukan di Pakuan demi lebih mendalami

memantapkan keyakinannya kepada Agama Sunda, sebabNenek Moyangnya berasal dari Nusa Bima bukan asli Pajajaran karena itu Kadatonnya

oleh Ayahnya Parabu Panji Haliwungan ( Susuk Tunggal ) dinamai Sura Bima. Putra Parabu Panji Haliwungan ( Susuk Tunggal ) pun yaitu Parabu Guru Gantangan

( Surawisesa ) lahir dan dididik oleh Uwa nya Rakean Panji Wirajaya Sang Amuk Marugul di Kadaton Sura Bima.

NyanggakeunPun Sapun, Paralun isun ....