Carita Pondok

21
Carita Pondok (CarPon) Bahasa/Basa Sunda : Rènghap Eulis Meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK. Leuwih parna, pamajikan pundung, kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu awèt gawè. Tapi kuring can ngarti naha pamajikan bet kudu kabur ti lembur, apan geus lila cicing didieu tèh. Teu kudu pundung kaduhung rungsing ka kuring, urang geus dua tahun leuwih rumah tangga tèh, Eulis. Sakuat- kuatna gè kuring nyanghareupan hirup, teu welèh wè butuh nu ngarojong, butuh nu maturan. Eulis, mun seug anjeun satia maturan kuring didieu, moal poekeun kieu hirup kuring tèh. Kuring reugreug. Sanajan loba kakurangan, lamun pareng dilakonan ku duaan mah, tangtu bisa katambalan. Kuring teu eureun-eureun leumpang sorangan, najan can nyaho kamana belah unggah. Geus karasa jegjreg ceker. Tapi leumpang sapanjang jalan pilemburan mah, teu welèh wè pada naranya. Mang Nono nanya naha teu ngilu ngusep. Neng Mirna nanya bari imut ngaheureuyan. Ki Momon aki- aki tujuh mulud, ngajak moro langlayangan. Nini Iin nolol ti jandèla imahna ngadon nanyakeun hartina global warming. Kuring ukur bisa gogodeg sapanjang jalan. Bororaah nèmbal, apan pikiran titatadi gè geus teu puguh jurus. Kuring tuluy leumpang, mapay kebon, mapay galengan. Hariwang jeung kahayang teu welèh seseledek dina rohangan hatè. Kuring ngarandeg hareupeun saung teu jauh ti jalan, diuk nyalsè ngareureuhkeun kacapè hate. Rènghap kuring garing lir ibarat aya seuneu ngabebela dina jero dada. Di jalan lembur katempo barudak leutik maraèn sapèda. Aya ogè nu langlayangan. Si Nanang jeung si Lani anteng maèn kalèci. Tukang tarompet di gembrong barudak. Sora tarompèt geus silih tèmbal najan ganti taun masih dua poè kènèh. Nini Otih ngarenghik ka Ki Aduy hayang dipangmeulikeun tarompèt jiga barudak. Ki Aduy pungak-pingeuk, kusuwal-kusiwel ngodokan saku bajuna.

Transcript of Carita Pondok

Page 1: Carita Pondok

Carita Pondok (CarPon) Bahasa/Basa Sunda : Rènghap Eulis

Meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK.

Leuwih parna, pamajikan pundung, kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu awèt gawè.

Tapi kuring can ngarti naha pamajikan bet kudu kabur ti lembur, apan geus lila cicing didieu tèh. Teu kudu pundung kaduhung rungsing ka kuring, urang geus dua tahun leuwih rumah tangga tèh, Eulis. Sakuat-kuatna gè kuring nyanghareupan hirup, teu welèh wè butuh nu ngarojong, butuh nu maturan. Eulis, mun seug anjeun satia maturan kuring didieu, moal poekeun kieu hirup kuring tèh. Kuring reugreug. Sanajan loba kakurangan, lamun pareng dilakonan ku duaan mah, tangtu bisa katambalan.

Kuring teu eureun-eureun leumpang sorangan, najan can nyaho kamana belah unggah. Geus karasa jegjreg ceker. Tapi leumpang sapanjang jalan pilemburan mah, teu welèh wè pada naranya. Mang Nono nanya naha teu ngilu ngusep. Neng Mirna nanya bari imut ngaheureuyan. Ki Momon aki-aki tujuh mulud, ngajak moro langlayangan. Nini Iin nolol ti jandèla imahna ngadon nanyakeun hartina global warming. Kuring ukur bisa gogodeg sapanjang jalan. Bororaah nèmbal, apan pikiran titatadi gè geus teu puguh jurus.

Kuring tuluy leumpang, mapay kebon, mapay galengan. Hariwang jeung kahayang teu welèh seseledek dina rohangan hatè. Kuring ngarandeg hareupeun saung teu jauh ti jalan, diuk nyalsè ngareureuhkeun kacapè hate. Rènghap kuring garing lir ibarat aya seuneu ngabebela dina jero dada.

Di jalan lembur katempo barudak leutik maraèn sapèda. Aya ogè nu langlayangan. Si Nanang jeung si Lani anteng maèn kalèci. Tukang tarompet di gembrong barudak. Sora tarompèt geus silih tèmbal najan ganti taun masih dua poè kènèh. Nini Otih ngarenghik ka Ki Aduy hayang dipangmeulikeun tarompèt jiga barudak. Ki Aduy pungak-pingeuk, kusuwal-kusiwel ngodokan saku bajuna.

Di belah wètan, Nini Ocih katempo nalaktak gugurawilan dina tangkal jambu nu Haji Uyud, jiga nu hayang dibandring. Si Akina bangun nyalsè ngabaheuhay niup suling gigireun tangkal. Kolot di lembur mah gening mani jaragjag, pait daging pahang tulang, teu kawas kolot di kota nu saeutik-saeutik geuring nyangsaya.

Nempo maranèhna, kuring ujug-ujug inget ka umur sorangan nu bakal ngolotan. Jiga daun garing. Jiga warna panon poè nu rèk nyumput. Kuring hayang mèakeun umur di lembur, nempo alam nu weuteuh maplak pepelakan. Hiliwir angin tibelah gawir. Ngan hanjakal Eulis geus teu ngilu diuk gigireun kuring…

***Nepika poè isukna, pikiran tèh masih pajeujeut. Kudu timana heula ngamimitian sangkan hirup bisa robah. Jiga kamari, wanci haneut moyan, kuring geus ngadaweung hareupeun imah. Sora hayam silih tèmbal. Sakapeung kadèngè sora domba Mang Dadang belah girang nèmbalan lagu dangdut ti imah Kang Maman. Kuring saukur bisa nempo nu pareng lalar liwat di jalan. Leng pikiran nguliat deui. Panon geus cangkeul tetempoan. Hatè geus teu genah rarasaan. Imah leutik geus teu kaurus. Pakarangan balatak. Tikotok tingarenclo di buruan.

Page 2: Carita Pondok

Tibaheula kuring sok ngandelkeun pamajikan nu ngurus imah. Dipikir-pikir mah naon salahna ngurus rumah tangga mah ku opat leungeun, ambèh pamajikan teu ngarasa digawèkeun. Apan èta mah geus kawajiban pamajikan, lin? Tapi naon kawajiban kuring ka Eulis salila ieu? Kalangkang Eulis kokolèbatan, teu welèh kacipta dina ingetan, peureum kadeuleu benta karasa.

Duh, Gusti, euweuh pamajikan mah hirup tèh asa cicing sorangan di jero sumur nu poèk.Lamun sangheuk leuleumpangan, kuring sok ngadon ngahuleng sisi walungan gedè. Nyawang pikahareupeun. Naha bet jadi ngeleper kieu hirup tèh? Sarua ngeleperna pareng nyanghareupan Pa Junaedi bandar kai nu teu bosen jeung teu poho nagih hutang ka kuring. Sajeroning kokolèbatan kalangkang Eulis, sakapeung kalangkang Pa Junaedi sèsèlèkè ngawur kapaur dina pikiran kuring.Halah kèder hatè tèh lamun nempo Pa Junaedi ngamang-ngamang bedog rèk nagih hutang. Nempo ramona gè sagedè gedang. Mun diteunggeul ku manèhna tangtuna kuring jehjer, teu walakaya. Panonna bolotot. Huntu gè sakitu wewegna, tangtu cilaka mun ngègèl. Puringkak bulu punduk kuring nulak taktak.

Hariwang, melang, sieun teu welèh nyiksa, baur jeung kapaur milampahan hirup kahareup.Sok hayang ujug-ujug beunghar, ngalayah duit di tengah imah. Sok kabita nempo Haji Daud nu loba harta. Mobilna dua jeung imahna dua umpak. Mun balik gawè tèh sok angkaribung ku bawaan. Leungeun pamajikanna gè reunceum ku barang mahal. Leng pipikiran dungdeng rinyay tetempoan. Nyel ambek.

Teuing geus sabaraha lila kuring diuk sisi walungan. Sora cai walungan lir ibarat sora getih nu ngagolak nyaksrak jero awak. Kuring ngarènghap panjang. Eungap, nahan amarah nu teu daèk ingkah. Karasa leler deui kaambek tèh. Kuring melong langit jeung tatangkalan. Kuring nempo Neng Marni jongjon nyeuseuh luhureun batu walungan. Sok ngadadak inget ka pamajikan. Kuring nyegruk ceurik.

“Kunaon, Delon? Kawas cucurut kaibunan waè…” kadèngè aya nu nanya ti tukangeun. Kuring ngalieuk. Brah ki Dede keur ngangkat calana. Buukna dipolès beureum. Kuring ukur seuri konèng, tuluy nyumputkeun beungeut, nahan inghak.“Ceuk kuring gè naon, tong loba nonton sinètron, jadi wè teu kaopan.” Ceuk ki Dede bari tuluy ngarandeg hareupeun kuring. “Pohokeun awèwè kitu mah, nèangan deui wè.” Pokna bari tuluy leumpang rusuh muru walungan.

“Rèk kamana, Ki, mani rusuh?” kuring nanya.“Puguh acara gaplèh gè di pause heula, teu kuat hayang miceun.” Ceuk Ki Dede bari ngalieuk ngusapan beuteung sorangan.“Tong miceun didinya, di hareup aya Neng Marni keur nyeuseuh.” Ceuk kuring bari nunjuk Neng Marni nu masih jongjon nyeuseuh. “Watir, ètana palid ka Neng Marni.”“Baruk aya nu nyeuseuh?” ki Dede ulak-ilik. “Baè ah, ieu mah darurat.” Pokna bari morosotkeun calana. Kuring nangtung bari gogodeg, tuluy ngalèos rèk balik. Katempo panon poè eumeul-eumeul. Tikajauhan kadèngè Neng Marni ngagorowok. “Ema! Ki Dede ngarudal!”“Hampura Nyai! Ieu mah teu bisa di pause!”

***Reup maghrib. Jelema jul-jol ka tajug rèk solat maghrib. Kuring ti tatadi geus nempo Aki kuring sila nukangan. Sok jadi sedih. Iwal Aki Dasmi nu masih deukuet jeung kuring ayeuna sanggeus pamajikan ninggalkeun kuring, sanggeus kabeh ninggalkeun kuring. Rèngsè solat, Ki Dasmi nyampeurkeun kuring nu anteng sila. Gèk manèhna diuk nyanghareup kuring.“Geus tilu poè kuring nempo ilaing loba ngahuleng. Mikiran pamajikan, lin?” Ki Dasmi miheulaan ngomong. Kuring ukur bisa ngeluk tungkul. Ki Dasmi ngarènghap panjang.“Yeuh, lamun jodo mah si Eulis tangtu balik deui. Nya kitu deui lamun teu jodo, wayahna.” Pokna. Kuring beuki ngeluk. Geumpeur nahan kasedih.“Tapi nu penting mah ayeuna, kumaha ilaing satèkah polah ngayakinkeun pamajikan.” Ceuk ki Dasmi nuluykeun.

Page 3: Carita Pondok

“Ki, kuring geus dua kali jauh-jauh panjang gagang ngadatangan pamajikan ka Jakarta sangkan bisa riung mumpulung deui di lembur, tapi diolo gè embungeun deui balik ka lembur. Kuring geus merul ngirim surat maksud ngayakinkeun, tapi hasilna kieu. Kuring hayang akur deui, tapi manèhna geus ngomong teu betah rumah tangga jeung kuring. Kuring geus pegat harepan.” Ceuk kuring dareuda.“Ilaing boga salah naon ka pamajikan?” ki Dasmi nanya semu heran. Kuring ngabetem.“Nya sanggeus di PHK tèa, Ki, kuring jeung pamajikan pasèa waè.” Ceuk kuring“Aèh, lain geus opat kali ilaing di PHK tèh, tapi baheula mah pamajikan teh teu kabur. Malah mèrè sumanget, lin?” Ceuk Ki Dasmi heran naker. “Naha ayeuna mah bet kabur?”“Pangpangna mah sanggeus pamajikan nyahoeun kuring gedè hutang ka Pa Junaedi.” Ceuk kuring beuki ngeluk.

“Baruk ilaing boga hutang?” Ki Dasmi semu nu reuwas. Kuring unggeuk.Ki Dasmi ngarènghap panjang. Sakapeung mah batuk ngohkoy. Teu karasa geus asup solat isya. Ki Dasmi nangtung ngajak solat bareng. Rèngsè solat Ki Dasmi ngajak kuring ka imahna. Peuting ayeuna Ki Dasmi mènta kuring maturan manèhna. Di tengah imah lampu bohlam koneng ayun-ayunan katebak angin nu asup tina liang para imah. Cahyana oyag-oyagan nyieun kalangkang dina bilik. Samak diamparkeun, kuring jeung Ki Dasmi dariuk, tuluy Ki Dasmi ngawangkong deui.

“Jang, tong hariwang ku hutang; lamun daèk ngèsang mang tangtu katalang. Tong melang ku kahayang; lamun kabayang mah tangtu kasorang. Tong pegat harepan. Kudu dileukeunan nya, urang kudu sabar jeung daèk ngèsang. Jang, hirup mah mun teu ngoprèk moal nyapèk. Kadè, mun pareng aya masalah, tong ditèmbal ku amarah. Kudu merenah mikiran jeung mèrèskeunna. Omat tong luhur teuing ngukur, lantaran hirup mah kacegat umur jeung liang kubur…”Jempling sajongjonan.

“Jang, tong loba ngahuleng teu puguh, arèk mah ngeunteung katukang. Kudu diajar bungah dina susah, sangkan teu guligah. Tong nyapirakeunn kasalahan leutik, mun seug ngumpul mah sok hèsè ngerik. Lamun meunang rijki, kudu bisa ngeureut neundeun. Jang, kadè kudu somèah ka sèmah, akur jeung dulur salembur. Tong sombong, tong jahat ka sasama, tong nganyenyeri hatè batur. Omat, Jang, robah lampah. Poè ayeuna kudu leuwih hadè batan poè kamari. Poè isuk kudu leuwih hadè batan poè ayeuna. Cag geura niatkeun hirup bener…” Ceuk Ki Dasmi. Kuring nyuuh kanu jadi Aki. Sumegruk ceurik.

“Jang, ieu tarima duit ti kuring.” Ceuk Ki Dasmi bari mikeun kaen coklat. “Kuring tibaheula ngumpul-ngumpul. Susuganan jaga mangpaat, boh ka kuring sorangan, boh ka dulur. Tibaheula gè kuring mah embung makè duit kaleuleuwihi, mangkana awèt. Tarima, Jang. Tong ngarasa kasinggung.” Pokna. Kuring olohok. Ki Dasmi muka tali kaèn, katempo duit ti mimiti nu lecek nepika nu heuras ngagulung dibeungkeut karet.

“Duit halal ieu mah, Jang. Ladang kèsang…Sugan wè bisa ngalunasan hutang ilaing.” pokna. Leungeun kuring ngadègdèg narimana. Sabot kuring masih olohok nempo duit, Ki Dasmi ngagolèdag sasarèan. Manèhna neuteup lalangit. Kuring ngilu ngagolèr gigireunna bari teu ngiceup neuteup duit dina leungeun.“Ki…”“Jang, tong hariwang ku hutang ka jelema. Hutang nu kudu dipikamelang mah nyaèta hutang ka Gusti Nu Maha Agung.” Ceuk ki Dasmi. Sorana laon.“Hutang ka Gusti? Hutang naon, Ki?”“Hutang kahirupan.”“Kunaon mayarna, Ki?”“Ibadah jeung amal hadè…”

Peuting beuki jempling. Reup kuring peureum. Poèk. Teu karasa kabèh dunya pareum dirawu peureum. Sajorelat pikiran jeung rarasaan nyawang dina jengkal sarè. Inget-inget geus bedug shubuh. Adan geus ngahaleuang ti tajug. Tong reuwas lamun jempling peuting bisa nyarita nu leuwih singget tur pinuh rasiah sual kahirupan jeung pilampaheun, nu sapanjang janari nepika sareupna dipikiran panjang, dipilih-pilih, dipajang, ditimang-timang…

Page 4: Carita Pondok

“Aki!!!” kuring ngagorowok meupeus simpèna shubuh. Rugap-ragap awak Ki Dasmi nu ngajelepeng tiis teu usik-usik. Jul-jol jalma daratang muka panto imah. Innailahi wa innailahi Raoji`uun…

***Gusti, umur mah anjeun nu ngatur. Umur ngora bisa waè isuk maot. Aki Dasmi mulang, beuki melang wè kuring hirup sorangan. Saha deui nu bisa raket deui jeung hatè kuring ayeuna? Kuring leumpang sorangan ngajugjug ka walungan. Rumangsang beurang maheutkeun deui kamelang. Kuring nangtung sisi walungan. Katempo ki Dede hanjat ti walungan. Manèhna nalikeun tali kolor, tuluy teurab mani beurat.

“Rèngsè ngarudal, Ki?” kuring nanya. Manèhna unggeuk.“Sabar nya Jang. Tibaheula ki Dasmi sobat kuring.” Ceuk Ki Dede bari nepakan punduk kuring. Manèhna ngalèos ngajugjug jalan. Karasa deui tiis deui rarasaan, simpè hatè najan sora cai walungan kadèngè tarik. Leuleus hirup, ngudupruk sumanget. Asa lila deui rèk nabeuh harepan tèh. Kumaha ngamimitian hirup lempeng deui, heuras deui, sumanget deui? Kuring ngarasa hirup sorangan di dunya tèh, jiga batu, jiga gebog cau nu palid di walungan…

“Kang…” kadenge aya sora halimpu titukangeun kuring. Kuring ngalieuk.“Eulis?!” kuring reuwas naker. Gusti, ngimpi lain ieu teh? Pamajikan geus aya hareupeun. Rarayna marahmay. Eulis nyuuh ka kuring.

“Hapunten, Kang, hapunten Eulis salami ieu ninggalkeun Akang. “ ceuk Eulis peura, nyegruk ceurik. Cipanonna haneut dina leungeun jeung pingping kuring. Teu karasa kuring cirambayan. Gabrug tèh kuring nangkeup pamajikan mani pageuh. Kuring bungah pisan pamajikan daèk balik deui ka lembur. Kuring jeung pamajikan namplokeun kasono nu salila dua bulan teu panggih.

“Hapunten, Kang, hapunten Eulis.” Ceuk Eulis nginghak. Kuring duaan nangtung pahareup-hareup.“Eulis, sami-sami hapunten Akang. Ti ayeuna mah urang tong pipisahan deui nya?” ceuk kuring peura. Eulis unggeuk, inghak-inghakan nahan ceurik. Kuring tuluy ngalèng pamajikan ngajak leumpang. Sapanjang jalan kuring duaan silih teuteup pinuh kasono. Di jalan paamprok deui jeung Ki Dede.“Walah, balik deui Eulis? Panyana tèh geus kawin jeung urang kota.” Ki Dede ngarandeg melong pamajikan kuring.

“Rèk kamana, Ki, mani rusuh? Rèk ngarudal deui?” kuring nanya.“Tadi ngarudal, hilap teu cebok.” Pokna bari lumpat, tuluy ngajleng ka walungan. Kuring jeung pamajikan silih pelong nempo kalakuan Ki Dede. Manèhna imut ngagelenyu. Gusti, teuteup Eulis karasa iuh. Seuri Eulis karasa haneut. Kuring asa katumbu umur ku Eulis. Sapeupeuting, rènghap Eulis lir ibarat simbut. Di luar imah, sora tarompèt kadèngè silih tèmbal. Geus ganti taun…

Utamana Inggit nu ngarasa leungiteun téh, kawantu pangdipikanyaahna. Geus dianggap incuna sorangan. Kabeneran ampir Saumur jeung rék sarimbag jeung incuna sorangan. Unggal di Aki mulang ke lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oleh-oleh husus keur Inggit.

Terutama inggit yang merasa kehilangan itu, sangat disayang. Sudah dianggap cucunya sendiri. Kebetulan hampir seumuran dan mirip dengan cucunya sendiri. Setiap si Kakek pulang ke kampungnya, pulangnya lagi harus saja ada oleh-oleh khusus untuk Inggit

Page 5: Carita Pondok

Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, apana inggit. Bu Gumbira, indungna. Nya kitu deui adi jeung lanceukna, Ikbal katut Jatnika, sarua ngarasa leungiteun. Ngan ku sabab raketna pisan jeung Inggit, manéhnamah leuwih-leuwih asa leungitanana téh.

Semuanya, serumah-rumah. Pak Gumbira, bapaknya inggit. Bu Gumbira ibunya inggit begitu juga dengan adik dan kakaknya, Ikbal dan Jatnika, sama merasa kehilangan. Namun karena dekatnya dengan Inggit, mereka lebih-lebih merasa kehilanga.

“Naha Si Aki téh teu aya baé?” ceuk Inggit ka mamahna, siga rék sahinghingeun ceurik.

“Kenapa Si Aki tak ada juga??” kata Inggit ke mamanya, seperti akan menangis.

“Nya éta mah. Mamah ogé meni asa beuheung sosonggeteun, sono hoyong pendak sareng Si Aki,” walerna.

“Ya itu. Mama juga tidak tahu, sudah kangen ingin bertemu dengan Si Aki,” jawabnya.

“Boa teu damang?” ceuk Jatnika.

“Takutnya sakit?” kata Jatinika.

“Panginten….,” saut Bu Gumbira deui.

“Mungkin…,” jawab bu Gumbira lagi.

“Euleuh, kumaha atuh Mah?” Inggit beuki ngarasa hariwang.

“Aduh, bagaimana Mah? Inggit terus merasa khawatir.

“Kumaha upami urang longok, sakantenan amengan ka Situ Panjalu?” Si Bungsu Ikbal usul.

“Bagaimana jika kita tengok, sekalian main ke Situ Panjalu?” Si bungsu Ikbal usul.

“Leres Pa,” Inggit jol satuju.

“Betul Pa,” Inggi langsung setuju.

Nu dimaksud Si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langganan Bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki Tukang Kembang, siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun, asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé.

Yang dimaksud oleh Si Aki semuanya itu, Tukang kembang langganan Bu Gumbira dan Inggit. Karena sering belanja kembang dari Si Aki, lama kelamaan merasa seperti dengan saudara.

Ampir saban poé, rék dibeulian rék henteu, kudu baé ngahajakeun eureun. Basana téh hayang panggih jeung incu. Nya kitu deui Bu Gumbira, rék ngagaleuh rék henteu, kedah baé miwarang lirén. Puguh deui Inggit mah, sirikna teu ngahajakeun megat di buruan.

Hampir setiap hari, mau dibeli atau tidak, harus sengaja berhenti. Bilangnya ingin bertemu dengan cucu. Bebitu juga dengan Bu Gumbira, mau membeli mau tidak harus menyuruh berhenti. Apalagi Inggitm biasanya sengaja menunggu di halaman.

Page 6: Carita Pondok

Biasana samulangna Si Aki ngrilingkeun dagangan. Da tara ka mana deui jalanna, boh inditna, boh balikna, pasti ngaliwat ka hareupeun imah Inggit.

Biasanya sepulangnnya Si Aki mengelilingkan dagangan. Tidak akan jauh jalannya, baik berangkatnya ataupun pulangnya, pasti lewak ke depan rumah Inggit.

Urang panjalu Si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajual kembang.

Orang Panjalu Si Aki itu. Nama aslinya Abdul Manap. Semenjak muda sudah mengembara ke Bandung. Asalnya tukang minyak tanah. Ditanggung menggunakan salang dan rancatan. Ke sananya lagi gantian berjualan kembang.

Sabulan atawa dua bulan sakali sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jeung jiga téa, ku bu gumbira sering dibahanan oléh-oléh, bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kuéh kaléng, sakepeung pakéan urut keur babasah. Anu tara tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima.

Sebulan atau dua bulan sekali suka pulang lagi ke kampungnya. Oleh karena itu, sudah tidak canggung lagi, oleh bu Gumbira sering diberi oleh-oleh, untuk dibawa ke kampungnnya. Ada gula, kopi, sirop, kueh kaleng, kadang kadang ada pakaian bekas untuk ganti. Yang tidak itu memberi ongkos, karena tetap tidak diterima.

Nya kitu deui Si Aki, unggal mulang ti lemburna, tara léngoh. Tampolanana ari keur usum panén mah, sok ngirim béas sagala. Tangtu baé lian ti oléh-oleh husus, keur incu kadeudeuh, Inggit téa. Biasana bungbuahan, manggu, sawo, pisitan, atawa kadongdong. Kumaha usum-usuman baé.

“Begitu juga dengan Si Aki, setiap pulang dari kampungnnya, pasti membawa oleh-oleh. Biasanya jika sedang musim panen, suka membawa beras segala. Tentu saja selain oleh-oleh khusus untuk cucu tersayang, Inggit saja. Biasanya buah-buahan, manggis, sawo, duku, atau kedondong. Bagaimana musim-musimnya saja.

Nu dimaksud oleh-oleh khusus keur inggit teh, sabenerna ukur babasan. Sabab dina prakna mah keur saréréa. Kawantu sakali ngirim téh pasti tara kurang ti sakarinjing gede.

Yang dimaksud oleh-oleh khusus untuk Inggit itu, sebenarnya hanya formalitas. Sebab pada praktiknya untuk semua. Biasanya sekali ngirim itu pasti tidak kurang dari sekeranjang besar.

Tapi geus dua bulan leuwih, ti saprak Si Aki bébéja rek ngalongok lemburna, tacan balik-balik deui. Tungtungna Pa Gumbira nyatujuan kana usul Si Bungsu Ikbal. Upama sabaulan deui Si Aki tetep ngampeleng, sakalian jalan-jalan, rék ngahajakeun dilongok. Kabeneran Si Aki mindeng nyaritakeun ngaran lemburna. Teu pati jauh ti kota kecamatan cenah.

Tapi sudah dua bulan lebih, dari semenjak Si Aki bilang ingin menjenguk kampungnya, belum balik-balik lagi. Akhirnya Pa Gumbira menyetyjui terhadap usulnya Si Bungsu Ikbal. Jikalau sebulan lagi Si Aki tetap tidak kembali, sekalian jalan jalan akan sengaja ditengok. Kebetulan Si Aki sering menceritakan nama kampungnya. Tidak jauh dari kota kecamatan.

“Enya upami sasih payun Si aki angger ngampleng, sakalian jalan-jalan, urang longok. Urang uah-uih baé. Ti dieu Ahad enjing-enjing, pasosonten mulih” sauh Pa Gumbira ka barudak.

“Iyah jika bulan depan Si Aki tetap tidak kembali, sekalian jalan-jalan, kita tengok. Bolak-balik saja. Dari sini minggu pagi-pagi, sore-sore pulang” kata Pak Gumbira ke anak-anak.

Page 7: Carita Pondok

“Sakantenan ntobian mobil anyar deuih,” ceuk Jatnika.

“Sekalian mencoba mobil baru lagi,”

Nembe ngagaleuh mobil apan Pa Gumbira téh. Mobil tilas, sedan alit. Tapi najan tilas, henteu kolot-kolot teuing.

“Baru membeli mobil Pa Gumbira itu. Mobil bekan, sedan bekas. Namun walau bekas, tidak terlalu tua.

Naha atuh ari pitilupoéun deui kana jung, kira-kira jam hiji beurang , ujug-ujug reg aya mobil alus pisan, lirén payuneun Pa Gumbira. Harita di imah téh kakara aya Inggit jeung Ikbal, lian ti Bu Gumbira téh. Henteu kungsi lila kurunyung Jatnika. Rada jauh sakolana Jatnika mah. Sedengkeun Pa Gumbira, teu acan mulih ti kantorna. Biasana tabuh stengah lima, nembé dugi ka bumina.

Tiga hari sebelum keberangkatan, kira-kira jam saru siang, tiba-tiba berhenti sebuah mobil yang bagus, berhenti di Pa Gumbira. Aritnya di rumah itu baru ada Inggit dan Ikbal, selain dari Bu Gubira. Tak lama kemudian datanglah Jatnika. Agak jauh sekolahnya Jatnika itu. Sedangkan Pa Gumbira belum pulang dari kantornya. Biasanya setengah lima , baru sampai ke rumahnya.

Sangkaan saréréa, paling-paling bade naroskeun alamat. Pédah kabeneran keur araya di tepas. Da teu terang téa, saha jeung urang mana éta jalmi téh. Ngan pasti lain jelema sagawayah. Tina dangdanan jeung mobilna ogé katara jalma aya.

Dugaan semuanya, paling-paling juga akan menanyakan alamat. Karena kebetulan sedang ada di teras rumah. Karena tidak tahu, siapa dan orang mana orang itu. Namun pasti bukan orang sembarangan. Dari dandanan dan mobilnya saja kelihatan orang berada.

Ari pék si tatamu téh, ngahaja niat nepangan Pa Gumbira sakulawarga. Waktos diuningakeun Pa Gumbira masih kénéh aya di kantor, walerna téh, “Sawios bade diantosan baé,” cenah.

Ternyata si tamu, sengaja berniat bertemu Pa Gumbira sekeluarga. Waktu diberi tahu Pa Gumbira masih ada di kantor, jawabnya itu, “Biarkan saja nanti ditunggu saja katanya.

Atuh Bu Gumbita téh kacida bingungna. Margi kana waktosna Pa Gumbira mulih téh masih kénéh lami. Beui bingung lantara si tamu ngaléos, ninggalkeun pribumi. Tuluy rurusuhan muru mobil sarta mukakeun panto Beulah tukang.

Bu Gumbira  sangatlah bingung. Karena waktunya Pa Gumbira pulang itu masih lama. Semakin bingung karena si tamu pergi, meninggalkan tuan rumah. Lalu buru-buru menuju ke mobil dan membuka pintu sebelah belakang.

Asalna saréréa bingung campur atoh, barang ti jero mobil kaluar Si Aki. Bajuna henteu saperti keur dagang kembang. Ayeunamah beresih jeung alus. Nya kitu deuih kulitna. Henteu hideung saperti saméméhna.

Pada mulanya semuanya bingung bercampur gembira, ketika dari dalam mobil keluas Si Aki. Bajunya tidak seperti sedang dagang kembang. Sekarang beresih dan bagus. Begitu juga dengan kulitnya. Tidak seperti sebelumnya.

“Aki…..!” cenah” Inggit lumpat muru Si Aki. Gabrug duanana silih rangkul.

“Aki….! katanya” Inggit berlari menuju Si Kakek. Keduanya saling merangkul.

Geus karuhan kitu mah, Pa Gumbira teras diwartosan aya Si Aki.

Page 8: Carita Pondok

Sudah tentu begitu, Pa Gumbira lalu diberitahu ada Si Aki.

Saha saleresna si tatamu téh? Singhoréng  putra Si Aki pangageungna. Anu majar salah saurang putra Si Aki pangageungna. Anu majar salahsaurang putrana, ampir sarimbag jeung Inggit. Ari pangna ngahaja nepangan, lian ti ngawartosan Si Aki téh moal dagang  kembang deui. Margi diwagel ku putra-putrana.

Siapa sebenarnya tamu tersebut? Ternyata anaknya Si Kakek yang paling besar. Yang katanya salah seorang anak Si Aki paling besar. Yang katanya salah seorang anaknya, hampir sewajah dengan Iggit. Sebab sengaja bertemu, selain dari memberitahu Si Aki tidak dagang lagi. Karena dilarang oleh anak-anaknya.

Tapi sakali-kalieun, pasti nganjang ka bumi Pa Gumbira. Utamana upama sono ka Inggit. Nya kitu deuih, Pa Gumbira sakulawargi, kedah sering ngalongok Si Aki di lembur.

Tapi sekali-kali, pasti berkunjung ke rumah Pa Gumbira. Utamanya jika kangen kepada Inggit. Begitu juga dengan Pa Gumbira sekeluarga, harus sering menengok Si Aki di kampung.

Teu sangka nya, Si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Di antarana nu natamu ka Pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.

Tidak sangka yah, Si Aki tukang mendorong roda kembang itu, anak-anaknya maju. Di antaranya yang bertamu ke Pak Gumbira. Punya pabrik besi segala katanya, dia itu.

Dicutat tur sisarungsum tina Pamager Basa X

Incoming search terms:

carpon bahasa sunda carpon carpon sunda carpon basa sunda carpon b sunda cerpon bahasa sunda www carpon sunda com carpon dari bahasa sunda carpon dalam bahasa sunda carpon sunda remaja

Carpon basa Sunda

Page 9: Carita Pondok

Ku: Dadang Sadkar

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.

Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.

“Punya api, pa?” cenah.

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna,  dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.

Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.“Makasih, pa,” pokna“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut

Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.“Mau ke Jakarta?” cenah.“Iya.”“Di Jakartanya di mana?”“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.

“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.“Baruk, naha?”“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.

Page 10: Carita Pondok

“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

CARPON

SILANG SIGEUKu : Mamat Sasmita

2003Poe Minggu ngajak ulin budak ka toko buku, dumeh budak teh ti kamari ngaeh bae hayang buku catetan nu leutik nu kelirna kayas, teuing keur naon, da ditanya teh ukur nyebut keur catetan, atuh ku kuring diayunkeun kahayangna sakalian kuring ge rek neangan buku sejena.Budak teh jigrah pisan, atuh basa di toko buku budak teh taralang tereleng kaditu kadieu kuring we nu rada kawalahan kudu nutur-nutur jeung mukaan buku bukuna anu ditunjuk, geuning behna mah lain ngan sakadar neangan buku catetan , tapi kalah neangan buku buku bacaan sejena, padahal mah macana ge can pati lancar.Keur anteng ningalian buku buku, digigireun aya nu ngajanteng, awewe tengah tuwuh, ceuk rarasaan eta awewe teh ret deui ret deui ka palebah kuring, teuing ngahaja ningali ka kuring teuing ngan ukur rarasaan wungkul.Teu kungsi lila aya nu nepak kana taktak…” Silang…?!”Sajongjongan kuring ukur ngabigeu, bari panon mah mureleng ka eta awewe nu nepak kana taktak.Dina hate nginget nginget deui kecap Silang, teu karasa kuring nembalan ..” Sigeu…?”.Manehna seuri terus ngasongkeun leungeun,…kuring kumejot dina hate mah hayang ngagabrug manehna, tapi asa teu werat lamun kudu kitu teh, atuh kapan manehna teh awewe jeung apan aya ditempat anu rame, jeung ongkoh deuih aya budak nu keur colohok ningali ka kuring.Enya disebut tengah tuwuh teh asa merenah pisan, buukna geus culcel huis, tapi dangdananana mah matak hookeun keur awewe saumurna mah, geura we buuk sok sanajan geus culcel huis tapi ari modena mah kaayeunakeun, enya ari make cindung mah tapi da ieu mah lain jilbab, ngan saukur disampaykeun, malah mimindengna mah eta cindungna teh nyampay we dina taktak, bajuna gombrang, make pantalon, kewes asa ningali dangdanan Indira Gandhi.Sasalaman teh rada lila jeung terus silih keukeuweuk, …”Keur naon didieu…?” ceuk manehna, kuring seuri bari ngajawab..” Nya neangan buku atuh ma enya neangan emih kocok didieu…”, manehna nyeuleukeuteuk, enya can poho kuring ge kabeukina kana emih kocok.“Jeung saha..?!”..ceuk manehna deui.“Jeung budak….!”“Incu ieu teh….?”Kuring teu pati ngawaro kana pananyana, kalah hayoh nitah budak supaya nyolongkrong munjungan “…Tuh salim heula ka Ua..”“Nu bungsu ieu teh,…boga sabaraha budak teh,..mana indungna..!”“Indungna mah di imah we, da tadi diajak teh mugen, majarkeun loba seuseuheun..!”Kuring jeung manehna uplek ngobrol bari nutur nutur bujur budak milihan buku.Beres babayar, kuring, budak jeung manehna, kaluar ti toko buku, enyaan manehna ngajak nyimpang ka tempat dahar anu ngajual emih kocok.“ Can robah kabeuki teh..!?” ceuk kuring..Manehna ukur mesem.

Page 11: Carita Pondok

Kuring rarat reret ningalian kana balanjaan manehna…”Meuli buku naon tadi..?”“Teu meuli buku uing mah, meuli ieu we cet minyak…!”“Euh…geuning jadi pelukis..?”Manehna seuri ngaheuheu, “Lain,…ieu mah pesenan incu..!”Resep ningali manehna ngadahar emih kocok anu cikruh nyuruputna atuh teu kaliwat seuhahna.“Na geus boga sabaraha incu teh..?”“Geus gede,…geus di SMP, lain ari ieu budak teh nu bungsu..?”“Keur ayeuna mah nya cikal nya bungsu, da kakara hiji..!”“Geuning ku irit..!?”“Lain irit,….da nyieun mah geus ti bareto mula, ngan jadina nya kakara ieu.,…Geu,…kuring kawin teh meh geus dua puluh tilu taun, kosongna meh tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun jalan..!”“Mintul meureun..!”“Ah duka teuing, sakieu ge Alhamdulillah geus dipercaya boga budak..!”Ari budak nu diomongkeun mah anteng we ngahenggoy emih kocok.“Geu…ari didinya boga budak sabaraha…?”“Wah budak mah loba ngan anu bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu…!”“Geuning….na aya budak nu teu bener…!”“Lain budak teu bener maksud teh budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina sarakola….!”“Euhh…mulya kacida atuh…!”Rada lila paheneng heneng. Kuring ngahenggoy emih kocok, sakali sakali mangnyusutkeun leungeun budak ku kertas tisu, da leungeuna baseuh, atuh manehna ge tonggoy kana mangkok emih kocok.“Lang ari eta buuk teh disemir, asa angger bae siga kitu…?!”“Alhamdulillah henteu, ieu mah asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk…!”“Eta we asa angger keneh siga baheula, da kuring ge apal teh eta pedah ningali model buuk didinya, moal poho da kungsi nenget nenget ti palebah tukang…!”“Ari uing mah enyaan kalinglap Geu ka didinya teh, mun seug didinya teu nanya tiheula, kuring mah moal apal..da eta geuning awak teh asa beuki meber…!”Manehna ngaheuheu seuri.“Sakieu mah awak teh geus rada ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih beurat, awak leuwih meber, awewe mah kakolotnakeun teh beuki beunghar, beunghar ku beurat awak…!”

Ngobrol di warung emih kocok teh teu lila, da budak noelan bae ngajak balik, sonona mah kacida jeung manehna teh, sanggeus silih bere nomer telepon jeung serelek (serat elektronik, email tea), terus papisah, manehna ngangkleung kana taksi, ari kuring jeung budak mah kana angkot we.

Peutingna mukaan email, muka email ti peuting teh aya sababaraha maksud, kahiji, ngoprek komputer teu kaganggu ku budak, kadua sugan we atuh bakal leuwih cepet da ari peuting mah kapan ngaranna ge peuting euweuh deui batur nu make, katiluna sugan we mayar telepona rada murah.Serelek teh ngaburudul loba pisan pangpangna mah ti milis urangsunda, eta we da bulan september 2003 nepi ka opat rebuna sabulan teh, jeung geuning aya serelek ti [email protected] ke ti saha ieu da anyar teu boga babaturan siga kitu, sanggeus dibuka geuning ti Sigeu.Ku kuring ngahaja di print, dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.

From : [email protected] : [email protected] : 13 Okt 2003 22.43Subject : Inget baheula.

Lang…, ilaing nyaho teu, nulis ieu email teh uing bari bulucun, tadi kira kira jam dalapan peuting uing taranjang hareupeun eunteung satangtung, buuk teu disisiran, atuh beungeut ge teu dipoles ku wedak estu sahinasna, uing neuteup awak sorangan.Lir keur maca kajujuran, unggal gurat dina awak mawa lacak tapak baheula, ti luhur tina unggal lambar

Page 12: Carita Pondok

buuk nepi ka tungtung kuku indung suku ting baranyay laku lampah nu inget ti jaman keur budak nepi ka ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida launa, nepi ka tembres kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu pangbadagna, kalan kalan kuring seuri, nyeungseurikeun kalakuan sorangan, teuing seuri naon ngarana bisa jadi seuri maur.Palebah beuteung naha jadi ngabendeleh kieu, ting berehil tapi lain sepir, palebah pingping nu baheula luis teh ayeuna geus ledis, geus euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu puguh ujud.Naha uing boga hak ngarasa era pedah awak siga kieu.. atawa naha uing kudu ngewa ka awak sorangan pedah ramijud, dina wujud identitas naon atuh ari uing..?Loba sora nu ngomong ti ditu ti dieu majarkeun uing begang majarkeun uing gendut, naha bet nu ditempo teh ngan ukur wujudna wungkul, naha pedah urang teh keur dikepung ku deudeuleuan dina televisi, dina koran, majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompet ngan ukur awak, beungeut, naha ngan eta anu pang sohehna keur hiji identitas, jeung deui naha pedah uing awewe kalan-kalan sok aya nu ngan ukur ngadeukeutan pedah uing awewe, ngan ukur dijadikeun objek.Meunang pan lamun uing ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur meujeuhna ngora (lain, lain kuring haying ngora saumur-umur), keur jaman loba nu ngudag ngudag boh jajaka boh duda, malah aya nu pangkatna jendral. Uing wenang milih, nu jago karate awakna lempay ngalampanyat, atletis, ngeusi, nu pendek beke tapi mobilna dua weuteuh, nu kakara lulus kuliah, nu boga hotel, nu boga villa di Puncak.Teuing kunaon maranehna ngudag ngudag, da uing tara tatanya, da sigana lamun bareng indit jeung uing, maranehna siga nu kacida bagjana, siga nu ngagondeng widadari meureun, saha nu teu nyaho ka si Non sakota kabupaten mah, si Non nu boga Mercy dina taun harita, awewe geulis ngora keneh sukses usaha.Ningali awak dina eunteung, nahanya make jorojoy hayang difoto, difoto keur bulucun, hayang ngabandingkeun jeung awak jaman keur ngora, ngan hanjakal teu boga foto jaman keur budak bari bulucun aya ge foto keur umur tilu taun teu make baju, asana mah karek anggeus mandi difoto ku Bapa Almarhum, eta ge bari gegerewekan da embung mandi, dipaksa ku Mamah, ari ku Bapa kalah hayeuh dioconan, kitu dongeng Mamah, da ari kuring mah tong boro inget, ningali fotona ge teu beda we jeung ningali foto sejena jaman keur leutik.Kulit beuteung ieu, nu kungsi luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki, waktu kuring ngojay di Hotel tilu puluh taun kaliwat, kulit beuteung ieu nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung ieu kungsi….salingkuh.

Lang….ilaing nyaho teu, waktu uing nelepon ka ilaing, supaya ilaing datang ka Hotel, basa urang rek papisah tea, naon pangna uing ngajak papanggih di Hotel..di kamar 26, enya inget keneh da ngahaja neangan kamar nomer 26 teh ambih sarua jeung umur uing harita, sabenerna lain kamarna aya puluhan, tapi di lantai 2 kamar nomer 6.Ilaing keketrok kana panto, terus uluk salam…”Assalamualaikum..!”, uing harita hareugeueuen, naha kudu dijawab atawa ngan ukur mukakeun panto, uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan asana geus lila tara ngucapkeun salam siga kitu, harita uing ngan ukur mukakeun panto.Terus ilaing culang cileung neangan korsi keur diuk, nu terusna mah ilaing diuk dina kasur, enya kapan kamar hotel teh leutik, aya eta ge korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung sababaraha buku, buku buku carita silat Cina.Malah harita ge uing keur ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah, geuning ilaing nyerengeh bari ngomong…”Kahade buku eta mah eusina porno…”Uing teu nembalan harita teh, da enya buku teh porno pas keur dibaca teh anu kituna pisan, puguh we rada era, terus buku teh dialungkeun, asana uing terus nyician cai herang kana gelas disodorkeun ka ilaing.Lila ngobrol teh pan meh nepi ka jam dua welas peuting, ilaing terus amitan balik, sabenerna mah ku uing teh rek diajak mondok, rek diajak sare sagebrugTeuing kunaon, uing ge da teu nyaho, ujug ujug jorojoy we aya niat kitu, teuing pedah uing geus lila rarandaan, dina hate uing teh rek mere kenangan ka ilaing atawa….teuing ah uing ge teu ngarti.Tapi niat kitu teh teu werat diomongkeun, da ilaing hayeuh we ngajak ngobrol soal sajak-sajak jeung carita pondok nu kungsi ku uing dibacakeun waktu siaran, ari rek make tingkah provokatif hate teh asa teu merean, malah dina hate ngagerentes yen ilaing teh lalaki nu teu surti kahayang awwewe.Sanggeus ilaing mulang, uing cunggelik sorangan, maca buku jadi teu nafsu, harita uing ceurik…henteu ari ceurik gagauran mah ngan ukur rambay cimata, ceurik pedah kunaon uing ge teu nyaho, ngan dina

Page 13: Carita Pondok

hate asa aya nu ngagerihan

Serelek ti Sigeu panjang ngagebay, ka beh handapna eusina loba ngadadarkeun pangalaman dirina, dina panungtungan serelekna manehna nulis :

Uing teh ayeuna geus loba incu, ti anu bungsu kakara borojol minggu kamari, awewe, lucu geulis. orok beureum keneh roroesan jeung ceurik, uing ge tangtu kitu, kungsi jadi orok beureum.Lang…sabebenrna mah kabeh anak jeung incu ge eta anak tere, jeung incu tere, da uing mah teu kungsi boga budak, eta teh kabeh ge anak Si Jendral almarhum, ngan pedah ku uing kabeh budakna diurus, lantaran indungna meunang musibah waktu ngalahirkeun anu bungsu.Geus ah urang geus tunduh rek sare heula, …sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.

Kasubuhnakeun kuring nulis email jawaban keur Sigeu :

To : [email protected] : [email protected] : 13 Okt 2003 22.43Subject : Re:Inget baheula.

Geu….geus dikonci pantona..?Alusna mah samemeh bulucun teh dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya ucing jalu asup kapan matak wegah akibatna, ucing jalu tea atuh sok kumahkar…eh nu kumahkar mah hayam rek ngendognya…., ucing jalu mah bisi ngarontok, nyakar, kapan aya sayang beurit lin...?!.(heureuy ah…)Mun teu salah aya nu kungsi nulis majarkeun “awak teh panjara” teuing panjara naon, aya oge anu nyebut awak teh mesin hasrat jeung aya oge nu nyebut diri……bae lah uing mah moal pipilueun ah kana palebah awak mah, da uing ge ayeuna kieu buktina, teuing boga awak teh naha goreng naha alus, nu leuwih penting mah asal sehat, kapan ceuk paribasa ge banda tatalang raga, raga tatalang nyawa.Geu….nyaho teu…(nurutan didinya..), samemeh nulis ieu serelek teh uing ngambah heula dina internet, neangan gambar awewe nu umurna lima puluh genep taun bari.…bulucun…! na ari burudul teh geuning loba pisan nya…malah aya nu geus umurna dalapan puluh taun sagala….ambuing eta sayang beurit dina kelekna…..geus huisan…..!Kabina bina nya, bet aya nu daek nembongkeun awak bari bulucun dina umur anu sakitu geus cueutna, enyaan dina internet mah sagala ge aya, abong kena disebut dunya maya, dunya virtual, dunya kabebasan anu alus saalus-alusna aya, nu goreng sagoreng-gorengna aya.

(Hampura Geu nya…uing geus nyipta nyipta awak didinya…ah teu jauh ti model nu ieu lah…..he he…aya huisan…bari kuring nelek-nelek hiji gambar awewe nu geus kolot nu keur bulucun..!!)

Samemeh poe kamari, kuring sakapeung sok ngawawaas jaman baheula, da anu kaimpleng teh hih…angger we didinya teh awewe geulis, ngora, lincah jeung pinter, implengan teh kakara robah poe kamari saprak panggih tea, enya asa ngagebeg geuning geus kolotnya umur teh, urang teu panggih teh aya kana tilu puluh tauna, lain waktu nu sakeudeung tah., urang teh geus jadi aki-aki jeung nini-nini. ( Geu…ari incu nyebutna naon…Nini, Ene, Eyang atawa Oma…ah ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa Walanda lin..?)Uing mah bulucun teh lamun keur mandi we, eta ge tara nelek-nelek awak sorangan, gebrus we mandi, lantaran lamun ditelek telek sok manggih nu matak kukurayeun (moal dijentrekeun naon nu matak kukurayeun teh bisi disebut buntut Oa…)Geus ah, lila lila mah bisi jadi cawokah, sarua sono Geu…!

Si Belang tea.

Ti sanggeus ngirim serelek harita, pleng teu nampa deui serelek ti manehna,

Page 14: Carita Pondok

1972

Unggal malem Saptu bari lalangkarakan di tempat indekos, bari ngareureuhkeun kacape, sok mindeng ngadengekeun radio, sok ngahaja neangan sora penyiar awewe, nya manggih sora awewe harita teh keur maca hiji sajak, sanggeus beres macana terus ngagalantang nyarita eusina eta sajak, sajak nu dibawakeun teh lolobana sajak rumaja nu idek liher dina dunya cinta.Hiji waktu kuring ngawanikeun maneh nelepon ka penyiarna, nyaritakeun sajak nu kungsi dibacakeun ku manehna, kuring nelepon teh lain waktu manehna keur ngajomantara, nya nelepon kitu we atuh sakalian kuring ngawanohkeun diri bari nyebutkeun hayang papanggih, hayang kenalan.Nya ti harita kuring wawawuhan jeung manehna, kuring nanya manehna, nanya ngaran nu sabenerna, manehna teh teu ngajawab kalawan saerewelena atuh kuring ge teu mere ngaran nu benerna, lantaran mimiti panggih teh kuirng make kaos belang manehna ngageroan kuring Si Belang, teuing meureun asa kurang merenah tungtungna lamun ngageroan teh nyebut Silang, atuh kuring ge ngageroan ka manehna teh Si Geulis sok terus disebut Sigeu.Geulis, enya da geulis atuh manehna teh geura we awak jangkung ukur beda tilu senti jeung kuring ge, awak ngeusi disebut begang henteu, disebut montok henteu, donto meureun babasaanana teh, ari beuebeungeutan rada rada siga bentang pilem , sahanya poho deui ngaranna, ngan ieu mah beungeut Sunda, geulis Sunda.Mun aya nu nyebut Silang ka kuring pasti manehna, kiru deui lamun nyebut Sigeu bisa dipastikeun kuring nyebut manehna.Dina ngabasakeun teh sok teu puguh sakapeung kuring, uing, didinya, ilaing kalan-kalan ana jeung ente, sok sanajan umur kuring leuwih ngora, manehna teu nganggap dirina leuwih kolot anu kudu dihormat. Umur kuring 23 taun ari manehna geus nincak 26 taun.Lila wawawuhan teh, sataun leuwih,Papisah soteh pedah kuring kudu miang ka luar jawa, pindah dines, nya peuting harita kuring nepungan manehna di kamar 26 di hiji hotel, keur kenang-kenangan manehna mere pulpen, ceuk manehna “Mun nulis surat keur uing kudu make pulpen ieu, mun teu make pulpen ieu mah uing moal ngabales…”.Dikangaranan pulpen, kakara ge sababaraha poe ge geus leungit, teuing kamana, atuh kuring nulis surat ka manehna make pulpen sejen, enyaan lebeng euweuh balesan.

2004

Kuring narima deui serelek ti manehna eusina teu panjang “….Lang uing rek jarah, rek munggah haji, do’akeun nya,…..jeung hampura bisi aya dosa boh nu karasa boh nu teu karasa, ari ente geus ka haji..?, mun encan mah sok we kukumpul keur ongksona ti ayeuna,…..eh uing ge ongkosna lain meunang kukumpul tapi pamere ti anak tere nu panggedena…”

Kuring maca serelekna teh sababaraha balikan, ….dina hate ngucap sukur jeung ngadoakeun sangkan inyana salamet, jeung jadi hajjah anu mabrurroh.Teuing tah lamun geus balik ti Mekah, naha make tiung wungkul atawa ganti jadi make jilbab, atawa naha bakal eureun buukna make semir.Serelek ti manehna ku kuring teu dibales, angkanan teh engke we satutas manehna munggah haji rek manggihan, rek didatangan, bari jeung rek aya nu ditanyakeun sabab dina serelekna nyebutkeun kungsi ngandeg, tapi dina serelek eta keneh nyebutkeun teu boga budak.

Cilengkrang Desember 2004.

(Di muat dina majalah Cupumanik No.39 Oktober 2006)Diposting oleh RUMAH BACA BUKU SUNDA di 7:13 AM

1 komentar:

Anonymous said...