Carita Pantun Bogor - Ngahyang Na Pajajaran

download Carita Pantun Bogor - Ngahyang Na Pajajaran

of 65

Transcript of Carita Pantun Bogor - Ngahyang Na Pajajaran

Carita Pantun Bogor - Ngahiyangna Pajajaran / Pajajaran Seren Papan Pun ! Sapun ! Ka Pupunclak Agung Pamunjung Anu Agung Sang Rumuhun Hiyang Guru Agung Pangruhum Anu Nunggal di Kalanggengan Anu Langgeung dina Nunggalna Anu Ngabogaan Sakabeh Alam Anu Ngabogaan Sakabeh Jagat Paralun ! Sapun ! Ka sakur anu diluhur Ka Guru Hiyang Nunggal Ka Dewa nyangking Kawening Ka Dewa ngagem Wewenang Ka Dewa nunggal Kawasa Ka sakabeh Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga Dina wujud sewing-sewangan Nu ngagelar, nu ngarumpay Nu narangtung, nu ngagantung Nu ngagulung, nu narangkub Nu nangkarak, ku ngarambat Ka sakabeh Nu kadeuleu teu karasa Nu kaambeu teu kadeuleu Teu kadeuleu tapi aya .... Ka sakabeh Nu ngaredag, nu lumampah Harirup jadi pangeusi Nyaricingna jagat ieu, alam ieu Paralun Sabab kaula eundeuk nyatur Nyatur pantun nu buhun Haneuleum tunda karuhun Hanjuaneun anu marapay .... ! Paralun Matak kaula Ku sabab Pajajaran dijieun carita Tapi disilok Ku anu sarieun Dipajarkeun mumuja Dewa Jeung direka dirarobah Dijarijieun-jieun Ka nu gariruk .... ! Jeung ku sabab Kaula nyaho Engke jaga Baris datang deui jelema Loba menak loba pangkat Harayang diaraku deui

Rawayan ti Pajajaran Paralun .... Paralun ! Jin Iblis Setan markayangan Ipri Onom Dedemit Jeung jurig nyiliwuri ! Rampes nun ! Lalinggih ! Ulah arobah tina sila Ulah arusik tina calik ! Bandungan dina jajaran Jajaran darekan karuhun Sebab kaula Eundeuk jajararkeun carita Carita Ti baheula Pajajaran Ngajajarkeun jeujeur sajati Nu asalna Lain beunang ngareka-reka Tapi Di geularkeun ku karuhun Kana hate nu rancage Hate saha ? Hate Sunda Nu sundana dina dani Nu danina dina hirup Nu hirupna sagala samar Nu samarna ngalaman deui Ngalaman jaman cara baheula Boga Raja heunteu sulaya Paralun ! Bandungan ! Urang kocapkeun ! Kocapkeun ! Di nagara Pajajaran Lain Pajajaran nu kiwari ! Pajajaran geh anu baheula ! Nu jadi Raja ? Gagah sakti kaliwat saking Nya Dia Anu ngarana Prabu Siliwangi Ari anakna ? Lobana tili kali salawe Da boangan Biangna geh Saratus punjul satengah ! Tunda ! Urang nyaritakeun hiji anak inyana Nu sakti ngala ka aki

Nu gagah ngala ka bapa Ari ngarana ? Ki Hiyang Santang Aria Cakrabuana ! Euweuh pantar Euweuh tanding ! Nyarita inyana ka si Lengser Uwa uwa ! Ngaing the ayeuna mah Cukup elmu jeung pangweruh ! Tapi hate ngaing heunteu betah jasa ! Sabab Geus lila euweuh teunggeulaneun Geus lila euweuh sepakeun Euweuh sanagara Euweuh musuh ngajak rusuh ! Kumaha lawan the Ngan tinggal sia bae uwa ? Kuamaha amin ngaing nyaba jauh Nyiar lawan di nagara deungeun ? Ceuk si Lengser Ulah aden ulah ! Ceuk ki Santang Ku nahaeun diulah-ulah ? Ceuk si Lengeser Sabab amun aden miang ka buana luar Ka nagara nyabrang lautan Engke dimana aden mulang Pajajaran the ngan kari ngaran ! Tapi dasar peuteukeuh Teu beunang diulah - ulah Nya miang inyana ka nagara sabrang lautan ! Tunda ! Urang lajeung ... Paralun Keun Ki Santang sina nyabrang ! Kocapkeun ayeuna di karaton ! Karaton mana ? Karaton Pajajaran Karaton Pajajaran geh nu baheula ! Nu kiwari geus euweuh urut-urutna acan ! Datang cenah hiji utusan Mawa surat tilu gembolan ! Ceuk Raja Lengser ! Ceuk si Lengser Ke heula ! Ceuk Raja Kunahaeun make keheula ? Ceuk si Lengser Bisi tutung ! Pais bakatul

Deuk nyuguhan semah ! Ceuk Raja Heu'euh Beusi tutung ! Balikuen Laju dia ka dieu Pariksa ku dia eta utusan ! Ceuk si Lengser Wah ! Teu mudu dipariksa deui Kula mah nenjo jelema Sarua jeunh neuleu manggis ! Nyaho ti cupat Nyaho di eusi Irung kitu mah Geus tangtu moal nyalahan deui Dicicingna sagede lelejing Dimotahna bisa sagede honje Panjangna bisa sa asta leuwih ! Ceuk Raja Lain jelema ! Suratna ku dia pariksa Laju si Lengser mariksa surat Lobana tilu gembolan ! Mariksa ... Mariksa ... Lilana Tilo poe tilu peuting ! Awahing ku tunduh Jeung loba teuing surat nu di pariksa Si Lengser jadi nundutan Nundutan bari ngelay ! Lay lay Laaaaaaaaay ! Lay keuna surat Lay keuna baju Lay keuna mata ucing Nu ngaringkuk dina tumpukan surat ! Laaaay...lay...lay...laaaaaaaaay ! Ceuk Raja Teuin ! Da kula mah Apan teu bisa maca ! Ceuk si Lengser Kadieukeun ! Tah eta, Nu aya gambarab bentang eujeung bulan ! Dorolong Raja maca surat Maca barian edeg Da ngarana geh Raja ! Bunclik ! Molotot ...... Mani sagede - gede kenong Da ngarana geh mata Raja !

Ceuk Raja E eh, e eh ! Ngomongna bari tetenjrag Tetenjrag datang ka eundeur Brong breng brang Sora ti dapur Tetenong ragag ti pago Da ngarana ge tetenjrag Raja ! Ceuk Raja Lengser ! Ceuk si Lengser Sumuhun dawuh ! Ngomongna barian nyembah Ngan nyembahna bari peureum ! Awahing ku tunduh ! Ceuk raja bari tetenjrag Brong bring brang Sora ti dapur Bareok pago Rungkad hau.... Da ngarana geh tetenjrag Raja ! Ceuk Raja Lengser ! Ieu surat dijempolan Ku Raja sebrang kulon ! Geuning Bet ngajak rusuh ! Ceuk si Lengser Bebetkeun baeee ! Maenya Raja eleh ku surat ! Si Lengser ngomong bari nyembah Nyembah barian tukusruk Awahing ku tunduh Deuleu ! Ceuk Raja bari tetenjrag Borobot dapurna runtuh ! Da ngarana geh tetenjrag Raja ! Deuleu ! Ceuk dina surat Ngaing kudu di sundatan ! Mun teu nurut Pajajaran baris dipagang Ceuk si Lengser Ulah Gusti ! Ulah daek disundatan ! Beusi disapatkeun ! Kara ngajak perang mah Lawan baeeeeeee.....! Si Lengser ngomongna bari nyembah Nyembah na bari ngaringkuk Awahing ku tunduh Ambek Raja kabina-bina Matana mani molotot Molotot bubucelikan

Cara keuyeup ngadeuleu keukeuk ! Raja tetenjrag deui Nenjrag deui, nenjrag deui ! Mani eundeur sanagara Da ngarana geh tetenjrag Raja ieuh ! Pating dorokdok balandongan Pating bareok lawang saketeng ! Awahing ku tunduh ! Lengser ! Ceuk Raja bari tetenjreg deui Borobot Bareok Dorokdok Hag siah,....... Beak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana ! Nya eundeuk dikumahakeun ? Da ngarana geh tetenjreg Raja ! Tunda ... Lajeung batur ! Lajeung Ceuk Raja Lengser ! Ngaing teu mudu nurut ! Hayuh Takol bende ! Kumpulkeun sakabeh balad Urang layanan anu nantang ! Korejat Si Lengser ngorejat barian heuay Heuayna bari kuliat Kuliatna sabari peureum Awahing ku tunduh Korejat Torolong........ Si Lengser ngajol ti kolong bale Karep inyana deuk nabeyh bende, Lumpatna sabari peureum...... Awahing ku tunduh ! Dar der dor tarang tidagor Barenjol sagede jengkol Baruk pager diteumbrag Berewk jamangna soek ! Tapi si Lengser lumpat terus Bongan parenta Raja Dimudukeun nabeuh bende Nya lumpat Lumpat ka saung bende Ngan lumpatna sabari peureum Awahing ku tunduh ! Nya karuhan Mimiti anu kadupak Nini-nini deuk ngisikan

Laju Aki-aki deuk ka cai Mani kababayan ! Laju ngadupak deui Saung lisung pipir imah Bareok borobot gubrag ! Rubuh saung lisungna ! Heu ! Gubrag ! Si Lengser kaurugan saung ! Korejat ! Torolong Si Lengser lumpat deui Lumpatna nyunyuhun hateup Lain hiji hateup, dua hateup Tapi hateup sasaungeun ! Si Lengser lumpat Lumpat lumpat ! Lumpatna sabari peureum Nya karuhan ngadupak deui ! Mimiti tukang ngurut Balik ngurut nu kalingsir Laju tukang endul Nyuhun tutut deuk ka pasar Laju tukang ttampayan Datang Ngan kari hiji anu weuteuh buleudna ! Nyaeta Beuteung tukang tampayan ! Ngan dosol........! Si Lengser lumpat terus Lumpatna lumpat dines Nu ngajagang Ditarajang Nu ngajentul Disurudug Anu malang Tangtu di teunggar ! Da keur lumpat dines ! Limpat dines mah sejen deui Heunteu cara lumpat biasa lumpatna oge mudu sabari Tanggah da ngarana ge lumpat dines Ari sabari peureum geh, teu matak nahaeun Sabari peureum geh meunang Asal gagah bari tanggah beee ! Jeung teu meunang luak-lieuk komo sumpang-simpang mah ! Mun aya nu ngahalangan ? Mun aya nu ngagolan ? Amun munding ? Ancur di tampiling Amun badak ? Bakal ucutan kabeh tulang-tulangna Amun jelema ? Tanggung ngan kari ngaran ! Kumaha amun imah ?

Nya nyooooooompor ka kolongna ......! Tapi Sanajan lumpat na lumpat dines oge Ari sabari peuereum mah Nya heunteu ka deuleu ku si Lengser Aya regag ngajagang tengah jalan Laju ngait keuna samping si Lengser ! Reg ! Rendeg ! Samping si Lengser ngait keuna regang ! Tapi lantaran keur lumpat dines Inyana heunteu meunang eureun Si Lengser lumpat dines Lumpat bari ngabedol samping Tapi samping Ngait pageuh kana regang Ari regang ? Ngait deui keuna rujuk ! Nya atuh kajadianana Bolonjon beee si Lengser lesot tina samping Cara kumang tinggaleun imah ! Inyana lumpat terus Lumpatna bobongkokan ! Sabana ? Kajeun teuing ti tukang mah, Asal ulah tembong nu ti hareup beee.......! Nya karuha ! Ting ceukeukeuk nu nareuleu Ear budak ararempak Ting cikikik nini-nini Rame budak pada surak Nareuleu burut si Lengser Mani heran cara berenuk ! Si Lengser lumpat terus .... Eureun-eureun soteh Inyana narajang tangkal jambe Mani nileup ! Lain tangkal jambe nu nileup Tapi si Lengser ! Nileupna tilu tileupan ! Tapi heran bolor inyana mah peureum terus ! Nya atuh deuk dikumahakeun ari tunduh kenah mah ! Laju inyana rumpu-rumpa Nya aya anu karampa .... Karampa gugulantungan Piker si Lengser Bende leutik ! Kajeun leutik geh Asal bende ..... ! Laju ditakol ! Aeh aeh ceuk inyana Bet bende ngaberele ? Ari bray the mata inyana dibeuntakeun Mani ngabuncelik Ceuk si Lengser bari gigisik Singaing singaing !

Lain bende Geuning kanjut badot ki lebe ! Bende mah euweuh Mending geh ku lisung ! Laju nitah ngumpulkeun lisung Saban lembur tujuh lisung Laju si Lengser nihtir Nihtir ! Nihtir ! Nihtir teu eureun-eureun Dua poe jeung sapeuting ! Eureun-eureun soteh Geus euweuhan tabeuheun Ancur lisung jadi suluh Ledis ka gaganden-gagandenna ! Laju inyana culak-cileuk Sugan mitoha inyana aya deukeut.... Teunggeuleum...........! Tidinya Si Lengser ngadeuheus ka Raja Leumpang na bari nyegegeng Bujurna songgeng ka kenca Cangkengna bengkok ka kenca Taktakna dengdek ka kenca Leungeuna kengkong ka kenca Jeung mata teleng ka kenca Urut nihtir beurang peuting Ceuk Raja Kumaha Lengser ? Beres ? Ceuk si Lengser Beres ! Kitulah Lilana satengah bulan mah Di salikur lembur bakal mahal beas ! Ceuk Raja Baruk mahal beas ? Ceuk si Lengser Sabab euweuh nu narutu Lisungna ledis kabeh dipake nihtir ! Ceuk Raja Ngaing teu nguruskeun beas Nanya ogeh urusan perang ! Ceuk si Lengser Komo eta mah ! Leuwih ti beres ! Samemeh nihtir ogeh Balad geus taratonjolan Hayang paheula-heula perang ! Ceuk Raja Hade ari kitu mah ! Urang papag nu deuk ngarugrug ! Tapi Teu hade

Mun perang di jero dayeuh ! Sabab Montong teuin elehna Najan di unggulna ge Loba banda kari urutna ! Nya eta Kaluluh ti waktu tarung Hade urang nyabrang Perang di tegalan anu lega ! Tunda ... lajeung batur ! bari nanggoan pindah alam ! kocapkeun balad Banten nu ngarugrugna bari naggoan balad ti wetan ! balad Banten ting araleut ngaleutna barian surak ! dipapag ku Si Lengser ! dipapag ku balad Si Lengser ! burubul musuh ti kaler dipapag ku balad Si Lengser ! burubul musuh ti kudul eudeuk nyabrang ti pinanggading eta mah dipapag na ku Ki Raden Bagus Setra nu di bantu ku Rakean incu Si Lengser der perang perang, batur, perang deui ! perang na rosa jasa ! kadeuleu ku Si Lengser aya nu ngaringkang jangkung kuru, kulit hideung kawahuan ku Si Lengser tina tapak luah dina jubah inyana ! ceu piker Si Lengser : tuh inyana si Langkawarah ! nu ti heula ngabedol kanjut ! ti heula sia make sorban ayeuna sia make kopeah beureum jiga petasan kari nyeuneut tapi ngaing moal pangling ! der perang ! Si Lengser jeung nu jangkung kuru Perangna rosa jasa Saling cabok, saling takol Saling sered, saling gegel Saling kadek, saling nyekek Sa;ing rawel nu dibunian ! Perang, perang ! Perang sakuriling bungking ! Ngan Raja urang masih keneh keur ngawurkeun ! Perang, batur, perang ! Si Lengser perang na rosa !

Dating ka wayah serangenge nyorot manceran ! Ceuk nu jangkung hideung : Ke, eureun heula ! Ceuk Si Lengser : Kunaha eureun heula ? Ceuk nu jangkung hideung : Ayeuna wayah lohor ! Ngaing mudu salat heula ! Ceuk Si Lengser : Jor ! Laju nu jangkung hideung the salat lohor Ari Si Lengser ? Inyana mah mumuluk heula Mani beak tilu boboko ! Anggeus salat, anggeus mumuluk Der perang deui ! Ceuk nu jangkung hideung : Wani ? Ceuk Si Lengser : Wani ! Der gulungan deui Jiga munding digulung lutung ! Perang rada lilaan Dating ka wayah sarangenge dengkek ka kulon Ceuk nu jangkung hideung : Ke, eureun heula ! Ceuk Si Lengser : Ku naha eureun heula ? Ceuk nu jangkung hideung : Ayeuna wayah asar ! Ngaing mudu salat heula ! Ceuk Si Lengser : Jor ! Nu jangkung hideung laju salat asar Ari Si Lengser ? Inyana mah ngagidig ka sisi susukan Ngawelu, mani tujuh tumpukan ! Anggeus nu salat, anggeus nu ngawelu Laju pahareup hareup Pahogor hogor cara kunyuk ! Ceuk nu jangkung hideung : Wani ? Ceuk Si Lengser : Puguuuuuh ! Nya der perang deui ! Perang na leuwih rosa ! Saling banting, saling tampiling ! Saling gorogod punduk ku haneu ! Dating ka wayah sarengenge eundeuy surup ! Ceuk nu jangkung hideung : Ke, eureun heula ! Ceuk Si Lengser : Eureun deui ? Ceuk nu jangkung hideung : Heueuh ! Ayeuna geus wayah magrib

Ngaing seuk salat heula ! Ceuk Si Lengser : Los ! Ongkoh meujeuhna sanekala Beusi katonjok jurig ! Nu jangkung hideung laju salat Si Lengser laju sila tutug Sila tutug mencetan bitis ! Ari silana ? Gigireun anu keur salat ! Saha nu nyaho perang dijaman baheula ? Perang jaman baheula mah teu cara perang jaman kiwari ! Ceuk nu jangkung hideung : Wani ? Ceuk Si Lengser : Keneh ! Nya der perang deui ! Ngan perangna heunteu lila Sabab matapoe anggeus surup Geus teu puguh deudeuleuan ! Ceuk nu jangkung hideung : Ke eureun heula ! Ceuk Si Lengser : Teu deuk ! Ma enya aya perang eureun-eureunan ? Pamali nyong Mantak panjang teuin lalakon ! Ceuk nu jangkung hideung bari tulak cangkeng : Najan perang ogeh Ari aturan agama mah Ayeuna geus wayah isa Ngaing mudu salat ! Ceuk Si Lengser bari tulak cangkeng : Sia, perang teh pieun Agama ? Dewek ogeh perang teu pieun Agama ! Ceuk nu jangkung hideung : Mantakna geh ! Ceuk Si Lengser bari mandelik : Salat mah urusan Agama, Perang mah urusan Nagara Perang sia ngan urusan Agama Tapi perang dewek Pieun Agama jeung Nagara ! Ceuk nu jangkung hideung : Hade ngaing teu meunang salat ! Tapi perangna mudu eureun heula Urang tuluykeun isukan bae ! Ceuk Si Lengser bari tutunjuk : Ku naha mudu isukan bae ? Ceuk nu jangkung hideung : Geus powek jasa ! Geus teu kadeuleu ! Ceuk Si Lengser : Damaran ! Laju nyieun obor ! Ari Si Lengser mah

Oborna the diselapan cabe rawit Lobana setengah kaneron ! Atuh barang geus disundut the Nu dieungkung hideung Bolor inyana mani peuriheun Jeung laju kabesekan terus ! Der perang deui Perangna mawa obor Saling sundut saling puput Saling sundut keuna kanjut ! Lajuna mah Nu hideung the kawalahan Lain kawalahan perang na Tapi kawalahan ku gigisik Kabesekan jeung ngolol leho Jeung teu eureun eureun sisiduen ! Barang keur kabesekan deui Laju inyana ditubruk ku Si Lengser Laju di tileupkeun Digulung ku jubah na inyana keneh Digubeud dijieun buntelan Dipangkekna nya ku tasbe ! Ceuk Si Lengser bari nyerengeh : Hag, siah ! Montong teuin salat subuh, salat isa geh Moal sia bias di Pajajaran ! Laju buntelan dibalangkeun ! Tapi lantaran Si Lengser Geus meh beak tanaga Nya buntelan the Murag na heunteu sabaraha jauh ! Muragna digunung sinalang kiwari ! Ngagulutuk nyangsang di lebak ! Nya jadi sasakala engkena Di suku eta gunung Loba cawene Nu ku bapa arinyana Dilakiankeun ka semah marake jubah ! Si Lengser laju ngingking Ngagidig ka sisi Sipatahunan ! Ngagidik sabari keupat Keupatna keupat nu gagah Iket campay dina taktak Cara jawara meunang perkara ! Ceuk Si Lengser : Mantah geh Ari urusan Agama Dijieun lulugu Pieun ngurus nagara the Tah Sok kitu jadina Cara si hideung tadi ! Agama mantak cambal Engkena jadi kawalat ! Nagara teu matak beres Engkena jadi pajeujeut !

Urusan Agama jeung urusan Nagara Teu meunang di campur aduk Hadean mah direndengkeun Tapi Ulah patumpang tumpang Mun Nagara geus pajeujeut Ulah Agama dijieun gagaman Pieun ngabereskeun nu pabeulit Tapi Mun nu pabeulit haying leungit Nu pajeujeut haying udar Nu di jieun gagaman teh ulah Agama Tapi Gagaman anu gede Takolkeun ka anu arumangkeuh Ari kuring bias ngaheunteuk Nagara ! Si Lengser ngagidig terus Ngagidig na gancang teuin ! Laju we inyana tikudewat keuna areuy Gabut ! Gorolong bae inyana ka landeuhkeu, Ka lebahan Raja anu keur ngawur ! Tunda heula ! Pun Sapun ka Pamunjung di Mandala Agung, ka Mandala Pangungahan, ka sakabeh nu kadeuleu teu karasa, nu kaambeu teu kadeuleu ... Paralun ! Wilujeung weungi batur, di powek mongkleng di damaran ku bulan sapasi urang lajeung lalakon Ngahyangna Pajajaran/Pajajaran Seren Papak dina Pantun Bogor Lajeung ! Urang kocapkeun sisi leuwi Sipatahunan Raja urang keur ngawurkeun Awurkeunana saeutik deui Barang deuk ngawurkeun deui Kadeuleu ku inyana Sisi leuwi sabrang wetan Dina ruhur tangkal jati Aya nu keur ngintip .... Ceuk Raja : E eh aya manusa ! Gorobas Gubrag ! Gorolong jiga kadu murag asak Reg, Eureun hareupeun Raja Rorowesan jiga peusing ! Ceuk nu jiga peusing : Lain Gusti ! Ieu mah Si Lengser, nun ! Mantas miceun buntelan ! Ceuk Raja : Ngaing geus nyaho dia lain manusa ! Dia the Si Lengser

Tapi itu tuh ! Di sabrang wetan aya nu ngintip Urang jieun lutung bae kituh ? Ceuk Si Lengser : Ulah Gusti ulah ! Sabab lutung mah aya kokodna ! Inyana tangtu geus neuleu Engke dimana urg geus euweuh Tangtu inyana ujap-ajap Ngemukan di ieu leuwi Keun kumaha kula bae Gusti mah geura ka tonggoh Tuh, musuh geus nanyakeun Gusti ! Laju Si Lengser nyokot popongkol howe Gedena sagede cangkeng banteng ! Laju dipalengpengkeun ! Keuna ka nu keur ngintip Palebah beungeut inyana pisan ! Beletak ! Gajabag ! Nu dipelengpeng salin rupa Inyana jadi kalong ! Tah eta sabab-sababna Matak neupi kiwari Kalong teh Jeding bungusna ! Ceuk Si Lengser : Bongan sorangan Neuleukeun lain deuleun sia ! Tapi najan geus kadeuleu Sungut sia moal bisa nyarita Kokod sia moal bisa nyokot ! Ayeuna sia jadi kalong Tetep enggon sia dina tangkal ! Engeke Di mangsa nu bakal kasorang Sia bisa jadi jelema deui Tapi engke ! Amun ieu Nagara jadi sampalan Sisi leuwi ngadeg lembur Wetaneun kandang kebo bule Tah di eta lembur Sia bakal ngarunjakeun deui turunan Tapi tingkah laku inyana Heunteu beda tina kalong ! Malah engke deui Bakal aya turunan sia ! Nu ngarana oge Si kalong ! Laku lampah inyana Heunte beda tina kalong ! Ah eta sabab sababna nepi ka kiwari di kebon gede hutan samida loba bae kalong ! Urang tunda deui ! Urang kocapkeun Raja urang ! Inyana unggah ka tonggoh Laju nyabrang

Der perang ! Rosa jasa Leuwih rosa ti nu ti heula ! Raja urang perang ngaganda ! Inyana dihurup ku : Kai Cakra Kai Jaya Kai Asep Kai Tubagus Jeung dua bengkong Uwah mahmud Uwah bakar ! Tapi Raja Sunda heunteu keder Beuki loba nu ngahurup Meni rosa perangna Raja urang ! Datang ka eta genep jawara kulon jeung wetan Perangna mani enggeh-enggehan ! Ting gulilap kolepat pedang Ting jeleger sora tampiling Ting jalegur sora paneunggelan ! Matak torek Ngadenge sora nu ngareuhak ! Tunda heula ! Keun sina perang bari ngareuhak ! Ayeuna urang kocapkeun Anu keur ngalanglang buana Saha ? Nya eta Sanghiyang Santang Aria Cakrabuana Nu gagah jeung kasep tea ! Ti Pajajaran inyana lologanti ngaran jadi Guriang Setra ! Mimitina nindakna ka Ujung Kulon Laju nyabrang lautan Unggah di sabrang kulon Di nu kiwari disebut tanah Lampung ! Laju Ki Santang nanya ka urang lampung : Saha tah jagona di dieu ? Ceuk urang lampung : Di dieu mah teu boga jago ! Sabab jagona aya di sabrang Di Nagara Pajajaran ! Ceuk Ki Santang : Nahaeun sababna ? Ceuk urang lampung : Urang dieu teh Baraya ka urang Pajajaran ! Ceuk Ki Santang : Kumaha mimitina ? Ceuk urang lampung : Raja Pajajaran ewean ka urang dieu, Ka nyai Putri Gambir Sari ! Ceuk Ki Santang : Mun bener baraya, Saha jagona di Pajajaran ? Ceuk urang lampung :

Jago Pajajaran aya dua Nu kolot jeung nu ngora ! Nu kolot ngarana Embah Lengser ! Ceuk Ki Santang : Anu ngora ? Ceuk urang lampung : Si Raden Si kasep Aria Pajajaran Disarebutna Ki Hiyang Santang ! Ki Santang ngenah jasa angeun Laju mere bako ka nu ditanya Laju nindak deui Nindak Nindak Mingkin lila beuki jauh ! Nya anjog ka hiji dayeuh gede Leuwi gede manan ciliwung ! Ceuk Ki Santang ka urang dinya : Ngaran ieu Nagara ? Ceuk nu ditanya : Paliman ! Ceuk Ki Santang : Kunaha ngarana kitu ? Ceuk nu ditanya : Sabab loba gajah ! Ceuk Ki Santang : Pantes ! Sagala mani gede kieu Walunganana gede Tatangkalanana garede Dayeuhna ogeh gede Ngan jelemana Heunteu garede Sarua bae gadena jeung kula ! Tapi Rajana sagede kumaha ? Ceuk urang paliman : Meujeuhna ! Ceuk Ki Santang : Dimana imahna ? Ceuk urang paliman : Tuh, imah nu panggedena ! Laju Ki Santang nindak deui Carita asup inyana ka Karaton Kasampak aya jeulema gede Keur ucang angge dina bale ukir Balena bale gede dijieunna Tina caling gajah Diukiran rupa gajah Gigireun bale gede aneprok Nu gareulis jarede Garede geh Gede bujurna ...... ! Ceuk Ki Santang : Dia tuh Raja di dieu ? Ceuk nu ucang angge :

Heu'euh ! Ceuk Ki Santang : Saha ngaran dia ? Ceuk Raja : Prabu Liman Jaya Kencana ! Eta ngaran kula Nu kaceluk ka tanah sabrang ! Ngaran kaula di dieu mah sejen deui ! Ceuk Ki Santang : Ngeunah nya jadi Raja ? Prabu Liman Jaya Kencana, Lain Raja sambarang Raja Tapi Raja nu rancage Inyana ngartieun Ki Semah the Eudeuk nyiar gara-gara ! Ceuk Raja Liman Kencana : Dimana lebah ngeunahna ? Ceuk Ki Santang : Tuh, lebah bujur-bujur nu darempok Sela pingping nu parungkil ! Ceuk Raja nu rancage : Parungkil mah Ki Semah Tandana jagjag waringkas Sabab tara tinggal ti jajamu Dararempok ? Eta mah aya sabab na Sabab loba gawe bari cingongo Ngored bari cingongo Ngarejo bari cingongo Karihna bari cingongo Jeung deui kitu buktina Nu biasa gawe beurat Sabab di dieu mah Najan ngaran nyi putri Ngahuma the mudu bisa Ninun hayu, nutu hayu Tara jerih ka gawe beurat ! Tapi Ki Semah Saha ngaran dia Jeung naeun nu seja ku dia ? Ceuk Ki Santang : Ngaran kula Guriang Setra Datang ka dieu Nya eta Eundeuk nyiar pangabisa Eundeuk mulung pangaweruh Sabab di Nagara kaula Geus euweuh nu sarua eujeun kula Saha jagona di ieu Nagara ? Ceuk Prabu Liman Kencana : Di dieu mah euweuh jago ! Ceuk Ki Santang : Tilok tah ? Tilok di dieu Nagara euweuh lalaki ? Ceuk Prabu Liman Kencana :

Lalaki mah ngabadeg Tapi lain pieun jadi jago ! Ceuk Ki Santang : Pieun naeun atuh ? Ceuk Prabu Liman Kencana : Pieun ngabnatu ngamakmurkeun Nagara ! Ceuk Ki Santang : Lain pieun ngalawan musuh ? Kumaha mun aya nu nangtang perang ? Ceuk Prabu Liman Kencana : Perang mah tara datang saban mangsa ! Tapi makmur mah mudu saterusna Abeh Nagara salalawasna Gemah ripah sugih mukti Tunda heula nya nundutan ! Urang lajeung batur ! Di ieu Nagara mah Mahmur the lain ngan dilamun Tapi mahmur nu karasa Sabab di dieu mah Adil teh lain omomg anu kosong Tapi adil anu bukti ! Jeung adilna Lain adil ceuk Raja wungkul Tapi adil mun sapuk sakabeh somah ! Ku kituna Adil mahmur teh Di dieu mah Lain ngaran wungkul catur Lain ngan omong pangbebenjo Lain carita nu sulaya ! Ceuk Ki Santang : Kuamaha di dieu bisa kitu ? Kula hayang diajar Teruskeun ka anak incu ! Ceuk Prabu Liman Kencana : Dengekeun ! Di ieu Nagara Pagawe the garetol kabeh Carukup ku pangaweruh Taliti dina pamanggih Laloba ngalaman Jeung jalembar pangabisa ! Tapi pangabisa Nu nguntungkeun ka somahna ! Jaba ti getol samuduna Oge teu meunang adigung garede hulu ! Teu meunang punta-penta ka somah Teu meunang nyusah keun somah Teu meunang nyingsieunan somah Teu meunang menta balenan ti sumah ! Teu meunang make maksa Sumawonna nyingsieunan !

Tapi parentah teh Dirupakeun jadi pangajak Nu kaharti asup akal Kapikir ku sakabeh somah ! Mun pagawe Bukti gawe heunteu bener Atawa ngan nyugihkeun dirina wungkul Harita keneh ogeh digantung bari disisit ! Kumaha pagawe di Nagara dia, Ki Semah ? Ceuk Ki Santang : Di Nagara kula mah euweuh pagawe ! Kabeh teh juragan kabeh ! Ceuk Prabu Liman Jaya Kencana : Karunya temen nu jadi somah ! Tapi dengekeun ! Di ieu Nagara Nu buburuh cukup upahna Di garawe bari narembang Sabab sebeuh saban hakan Nu tirani Laluasa tiranina Sabab hasil dibuatna Lain asal ijon ka Nagara ! Ku kituna Caba ti bere Ogeh murah hakaneun ! Nu daragang Teu diajar ku Nagara ! Tapi Nagara ngalobakeun pidagangeun Ku kituna Jaba ti bere Ogeh murah pidagangeun ! Ari pagawe Teu mudu sumpah saban pasar Meunang gawe bari tani Meunang gawe bari dagang Tapi tani anggeus gawe Tapi dagang anggeus gawe Ngan Amun tani amun dagang Teu meunang ngeunah sorangan Ku jalan Ngahalang-halang usaha somah ! Nu kaparcaya Ngajalankeun parentah Nagara Garawena minang ka bapa Hartina Loba mere tara menta Merena ? Nya pangjeujeuh ! Mentana ? Tara menta pangabakti Pangjeujeuhna ? Lain ku omong anu kosong Lain janji nu sulaya Tapi

Ku janji anu bukti Ku omong anu tembong Mun pagawe Rasa inyana ku kawasa Punta-penta nitah bakti Baktina ngan pieun inyana Jeung galak Ka sakur nu teu mere Ki Semah, Ki Semah Moal endeuk Nagara bisa Adil Makmur ! Ceuk Ki Santang : Heueueueuh ! Kula tarima meunang Pajajaran ! Tapi bener-bener yeuh Di ieu Nagara euweuh jagona ? Ceuk Prabu Lingga Kencana : Ari jago mah loba ! Tapi lain jago dina gelut Jago soteh dina bener ! Amun Ki Semah Rajang tarung Tuh ka ditu ! Tapi saeuncana mah Teu mudu dia ngajugjug jeuh Sabab engke ogeh Bakal datang mangsa na Ku urang rabul jalema bule Tah eta pilawaneun dia ! Urang tunda deui Nanggoan datangna nu barule Urang caritakeun bae Ki Santang the laju amitan Angkuhna deuk ngajugjug ka nu jauh Deuk neangan jelema bule Nya anjog ka sisi sagara ! Kadeuleu ku inyana Laut motah ngadak-ngadak Lemah eundeur ruag-rieug Tinggeleger hawar-hawar ..... ! Ceuk Ki Santang : E eh ! Naheun ieu gara-garana ? Jeung kunaheun ? Ngadak-ngadak hayang mulang ? Kadeule di awang-awang aya mega maju ngidul Belesat ! Ki Santang ngapung ka mega Karep inyana tumpak mega Tapi dina mega Aya mipit mudu amit Amun ngala kudu menta Amun numpang mudu nyarita ! Ceuk Ki Santang bari ambeuk : Ulah sia loba bacot ! Dibebekkeun ieu mega ku dewek !

Ngeser ! Dewek moal numpang cara lentah Tapi ngilu bari maray ! Tah duitna opat kanjut ! Kop jeung kanjut-kanjutna ! Geuwat dewek anteurkeun ka Pajajaran ! Ceuk tukang mega sabari ised : Ari maray mah Sejen deui urusanana ! Saenyana ceuk aturan Heunteu meunang mawa tumpangan Sabab ieu teh mega dines ! Tapi ku duit mah Kula the heunteu buyut ! Jiga-jigana Dilembur dia mah Dia the jawara kedotan ! Ceuk Ki Santang : Kumaha dia nyaho ? Ceuk tukang mega : Tina porongos ! Sarua jeung porongos tukang eta ! Ceuk Ki Santang : Tukang naeun ? Ceuk tukang mega : Tukang mariksa mega ngaliwat ! Ceuk Ki Santang : Kituh ! Ceuk tukang mega : Heu'euh ! Tukang mega mah Loba nu sarawan ! Sabab tukang mariksa mega Morongos sok satang ka tembong gugusi Mun can dibere pieun meuli sisig ! Tapi ari dia mah Ngilu numpang the Make maray ! Tanda jawara kedotan ! Heunteu cara tukang mariksa mega Arinyana mah Ngilu ongkoh Menta duit ongkoh sakalieun teu menta duit Ari turun Tara nuhun-nuhun acan ! Dasar kunyuk didangdanan Kacida ieu aingna Abong-abong keur kawasa ! Ceuk Ki Santang : Heu'euh ! Tapi edas bapa Loba jasa barayan teh ! seung, sing jongjon diukna ! Ulah tukang teuin mega na geus butut Jeung jamakna Amun gujlang gijleng

Puguh langit ayeuna mah legok-legok Jeung jamakna Heunteu bisa nyanghunjar Sabab ieu the mega dines Paranti neang ma beurang Ari di kahiyangan Aya bidadari deuk ngajuru ! Jeung nyekelanana Ulah pageuh teuin Beusi ucutan tihang megana ! Jeung ulah sabari egeg Beusi tiporos Megana geus butut ! Tunda heula Lajeung dina peuting nu didamaran ku samar bulan Urang longok Raja urang Nu dihurup ku musuh genepan ! Perang na rosa jasa Eta genep papatih Ku Raja urang laju ditubruk Laju di awut-awut Di luluh di gulung-gulung Di rampid jadi ngahiji Mani pating polonjon tina jubah inyana Ting arenyut Jiga tetep lesot tina wadahna ! Ting arenyut sabuligir Jiga eungkuk pilegaeun Balad Banten Waktu neuleu kabeh papatihna Deuk di podaran ku Raja Sunda Heunteu taregaeun Laju Reog wae ngaleut Cara sireum sirarange Ngagurumut Raja urang ! Atug mani haliwu Raja urang ! Nya harita opat patih Banten bisa budi Nya eta bengkong nu duaan Arinyana mah heunteu kaburu ! Sabab kaburu modar mantare ! Lain paraeh ku Raja urang Tapi Modarna Ditareunggelan urang Banten ! Sabab ku haliwu-haliwuna ngagurumut Urang banten the Teuteunggeulna Sateunggeul-tenggeulna bae ! Datang ka loba balad Banten Kararojor Cigenden ku baturna keneh ! Urang caturkeun patih Banten anu opat

Arinyana bisa budi Laju ngorejat bari ngarewel jubah ! Tapi Lantaran ngorejatna bari haliwu Nya atuh ngarawel teh Sarewel-rewelna bae Heunteu arengeuh pahili jubah ! Ku haliwu-haliwuna Kai Cakra hanteu engeuh pahili jubah Kai Jaya hanteu engeuh pahili jubah Kai Asep hanteu engeuh pahili jubah Kai Tubagus hanteu engeuh pahili jubah Malah Kai Tubagus mah Jaba tipahili teh Inyana hanteu eungeuh Make jubah the tibalik Nu pieun cokor Dipake di ruhur Ari cokorna Diasupkeun dina beuheung jubah ! Atuh leumpangna Mani ciga nini-nini hudang ngajuru ! Ninggang di Kai Cakra anu begang Nu karawel teh jubah godombrong Pakeun baturna nu jangkung gede Atuh barang dipake the Ka luhur leuwih sasiku Ka handap leuwih sadeupa ! Ceuk pikir inyana : Bener sakti si Raja Sunda ! Ieu jubah mani kieu Ka ruhur teu kadeuleu langit Ka handap teu kadeuleu napak ! Nya gudubrak bae inyana labuh Tikudewat Nincak jubah panjang teuin ! Ceuk pikir inyana : Panjang teuin ! Ngaing beubeurkeun ! Laju jubah panjang teh Dibeubeurkeun Digulungkeun luhureun cangkeng Atuh tembong buraholna ! Der perang deui ! Perang rosa Perang rosa jasa Terus perang leuwih ti rosa jasa ! Raja urang Najan gagah najan sakti Tapi Ari diruhun digurumut mah Nya haliwu ogeh ! Nya kapaksa inyana mundur Kadeseh ka beulah kaler Datang ka palebahan birit leuwi ! Tah di dinya

Inyana katubruk ku nu ngahurup Tapi Raja urang Laju motah rosa jasa ! Nya lajuna mah Gujubaaarrr ! Raja urang ragag ka leuwi Gujubar Kai Asep kabawa ragag Inyana ngarawel jubah Kai Jaya Kai Jaya ngarawel jubah Kai Cakra Kai Cakra ngarawel jubah Kai Tubagus Tapi Lantaran jubah Kai Tubagus mah Dibeubeurkeun Nya nu ngarawel the Buraholna ! Nya gujubaaarrr ! Jawara Banten jeung Cirebon nu opat Kabedol kabawa ragag Laju perang di dasar leuwi Balad Banten eureun perangna ! Balad Pajajaran areureun perangna ! Lalajo nu keur perang di dasar leuwi ! Nya jadina mah Euweuh nu perang di daratan Kabeh jarajang teges Nareuleu nu galungan di dasar leuwi ! Kabeh pasedek-sedek ! Datang Euweuh nu areungeuh Balad Pajajaran Nyarelap di balad Banten Balad Banten Nyarelap di balad Pajajaran Eungeuh-eungeuh soteh Aya nu hitut ! Ceuk balad Pajajaran : Hitut Banten yeuh ! Sejen deui peledakna ! Ari inyana ngalieuk teh Baruk geuning lain batur sakamandoran Tapi musuh Urang Banten ! Nya der perang deui ! Perang di daratan Perang di dasar leuwi Ting gulutuk sora batu Ting sareak sora koral Ting kiricik sora keusik ! Burial ! Burial ! Cai kiruh ti dasar leuwi Umpalna neunggaran gawir ! Ngagulugur gawir nu urug Ngaguruh tangkal nu rubuh Tangkal jati garaged

Sisi leuwi sabrang wetan Rungkad ambles kabawa palid ! Ari palidna ? Nyarangsang di birit leuwi Tah di dinya Engkena teh bakal ngadeg hiji lembur Nu ngaranna di kiwari Bantarjati Urang tunda deui Sina jadi lembur bantar jati ! Urang kocapkeun Ki Santang deui ! Kadeuleu ti awang-awang Palebah leuwi sipatahunan Loba jasa jelema keur saling genden ! Ceuk pikir Ki Santang : Boa-boa Jeung kadeuleuna Jiga lain somah ngaing kabeh ! Gajleng ! Ki Santang luncat tina mega Megana mani semplak sabeulah ! Sesemplakan mega nu beulah Murag ! Ragagna malang Nyampai dina lamping Sakaleren gunung gede Engkena Dihandapeun ngadeug hiji lembur Nu kiwari disebutna Mega mendung ! Lajukeun urang Ki Santang ! Jrut inyana turun Jlig inyana nepi Jung inyana nantung Kadeuleu aya numpukan Ngagunuk cara picung buruk ! Ceuk Ki Santang bari tulak cangkeng : Nahaeun yeuh ? Ceuk nu nagunuk : Nu areleh perang ! Ceuk Ki Santang : Urang mana ? Ceuk nu ngagunuk : Pajajaran ! Ceuk Ki Santang : Eleh ku saha ? Ceuk nu ngagunuk : Ku urang Banten ! Ceuk Ki Santang : Kunaha make areleh ? Ceuk nu ngagunuk : Licik sih ! Kaci ngegel ceuli Nyolok mata jeung nyingkabkeun samping ! Ceuk Ki Santang : Lain licik !

Eta tah aturan perang anyar ! Tapi kumaha sabab perang ? Ceuk nu ngagunuk : Ngabelaan Raja ! Ceuk Ki Santang : Di mana Raja ? Ceuk Nu ngagunuk : Tuh di dasar leuwi ! Keur dihurup ku opat urang ! Ki Santang teu loba deui catur Laju inyana tuturubun Ngajubar ! Lep ! Inyana teuleum ! Tapi sabab caina kiruh Teu kadeuleu Mana Bapa mana musuh ! Ceuk Ki Santang : E eh ! Mun neunggeul bari teu neuleu Bisa salah anu keuna ! Leuwih hade Ieu leuwi hade ngaing bedahkeun ! Nya der dibedahkeun Ka hilir ciliwung guntur ! Ka girang ciliwung surut ! Kocapkeun anu garelut ! Heunteu areungeuh Sipatahunan mingkin saat ! Barang beak cai kiruhna Ka deuleu ku Ki Santang Raja eundeuk diporeatkeun ! Teu antaparah ! Saebrur Raja direbut Lung di kadaratkeun ! Anu karebut musuhna Karuhan bae ambek jasa ! Kadeuleu ku arinyana Aya musuh anyar ! Laju pating surungkuy Ting garebay Ngarajol bari raranggeum Eundeuk nyekek beuheung Ki Santang ! Ki Santang ngeunah seuri ! Laju leuwi di kubek deui Kiruhna kiruh jasa Datang kaeuweuh nu bisa kadeuleu ! Ki Santang mah Inyana laju ngadapang Malang dina pamontengan ! Inyana ditubruk ku opat patih Banten Tapi Ki Santang Nyejat bari ngagakgak ! Pamuntangan laju bedah Nyot buburialan ! Atuh kaceot

Opat patih urang Banten ! Hulu inyana ngadalagor batu Mani remuk ka batu-batuna Awak inyana naleungar cadas Mani raraungkad gawir-gawirna ! Nya mooooooooooodar ! Laju paralid Laju engkena nyarangsang ! Anu saurang Dilebaheun kiwari tanah jelebut Anu saurang deui Di bilangan kiwari tanah bojong gede Saurang deui Di bilangan kiwari tanah citayem Saurang deui Di bilangan kiwari tanah sawangan ! Tapi saha nu nyarangsangna ? Saurang geh Datang ka iraha ogeh Moal aya nu nyaho ! Lantaran waktu paralidna Marake jubah nu pahili Pahili ka pangkat-pangkatna ! Ngan bae Engkena kabejakeun Ceunah mah jaradi karamat ! Tunda deui Keun sina jaradi karamat ! Lajeung Ayeuna Urang teang Si Lengser Si Lengser karuhan sakabeh tukang pantun ! Barang balad Banten eureun perangna Barabg balad Pajajaran nunda perangna Embah anis jeung embah anom Eudeuk areureun nunda perangna Ngan Si Lengser anu hanteu ! Ceuk Si Lengser : Eundeuk ka marana dia ? Ceuk Embah Anis : Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi ! Ceuk Embah Anom : Deuk neuleu nu dibeset di dasar leuwi ! Ceuk Si Lengser : Moal kadeuleu ! Caina geh kiruh ! Mending geh, Urang lajukeun perang urang ! Kapalang Tingal sajurud deui ! Tapi Embah Anis deuk nojok terus Emabh Anom ogeh deuk nojok terus Laju ku Si Lengser

Emanh Anis dijenggut jambrongna Emabh Anom dijebak jabrikna ! Karuhan Mani pating caweuweuw ! Tapina Hanteu ngaralawan Sabab harayang lalajo nu perang di dasar leuwi ! Torolong bae duaan lalumpatan Lalumpat bari darongko Lalumpat bari susulumputan ! Lantaran hayang jarongjon lalajona Jeung ulah kapanggih ku Si Lengser Nya lalajo teh Dibirit leuwi sabrang kulon ! Caringgoooo bae ! Dina sisi gawir handapeun kopo Tunda deui ! Keun sina caringogo ! Kocapkeun Raja Sunda jeung Ki Santang ! Geus haranjat deui ! Laju ngabuburak balad Banten Mani ting alacir paburisat Jiga rorongo dikebutkeun ! Ceuk Raja ka Ki Santang : Hadena Aden kaburu datang ! Ceuk Ki Santang : Mun teu kaburu ? Ceuk Raja : Mantak teuin lalakon panjang Tah Ari geus paralid mah Moal bisa calutak deui ! Tapi sing aringet ! Najan arinyana Geus eleh dua kali Rajana mah Panasaran keneh ! Tangtu inyana the Hayang keneh nyilakakeun urang Nyilakakeunana Moal ku jalan kasar Tapi ngakalan Ku jalan halus ! Bejaan kabeh sanak, kabeh kadang Sing ti ayeuna keneh Pipir imah saimahna Beulah kenca nu di tukang Di hareup beulah katuhu Marelak Tangkal sente Pikeun tumbal keuna baraja !aju marelak deui Tangkal cau emas Pieun tamba keuna wisaya Sabab kahareupna Musuh teh ngalawana

Ku jalan guna wisaya Ku teluh eujeung mudu Ku warejit utah getih Nyieun edan jadi sasar Gering nangtung ngaganggayong ! Tapi teu mudu sieun ! Mun aya nu keuna kitu Sambat bae bae ngaran bapa Celuk bae ngaran dia Laju mandian ku cai Ti leuwi sipatahunan Jeung inuman Ku cai Ti pancuran tujuh ! Ari jampena ? Sina diajar bae ti Si Lengser ! Tunda deui ! Sina diajar jampe teluh ka Si Lengser Kocapkeun deui Si Lengser di tegalan ! Inyana dagdag-digdig sorang bae Tulang cangkeng bari tetenjrag Hahaok bari popolotot Ngareuhak bari kekerot Nantang musuh nu tingaleun kalang ! Kadeuleu ku inyana Gawir urug, leuwi bedah Balad musuh loba nu paling ! Ngeunah jasa angen Si Lengser Gadag-gidig inyana ka tengah tegalan Leungeun anu kenca Tulak cangkeng nyerengkebeng Nu katuhu Dikeupatkeun ngagandejang Cara deumang eundeuk nganjang Endeuk mogor ka anak mandor ! Ret inyana ka kaler Leuweung jati urug saparo Mani ngemplong deudeuleuan Kadeuleu aya deui ngaraleut Nu areureun di birit leuwi Birit leuwi sabrang kulon ! Nu ngaraleut teh Laju ngaromong jeung sesana balad Banten ! Tah lebah dinya Engkena tah nadeug hiji lembur Nu kiwari disebutna Pabaton ! Sabab urut ngumpul jeung badami ! Si Lengser laju nabeuh bende ! Atuh Barang bende ditabeuh deui teh Mani beeeeejat burarakan ! Ari ceuli bende ? Mani ngacleng Ragragna di leubahan nu kiwari jadi lembur Nu ngarana

Ceuli beunde ! Kadenge ku Raja urang Laju dihaokan Ceuk Raja : Nahaeun Lengser ? Ceuk Si Lengser : Musuh datang deui ! Ceuk Raja : Sabaraha ? Ceuk Si Lengser : Nyaho teuin ! Teu kabilang Ngan ayeuna mah marake jendol ! Der perang ! Perang deui ! Perang Perang Perang batur, perang ! Leuwih rosa ti perang nu ti heula ! Perang jeung musuh nu anyar datang Perang jeung nu marake jendol Perang deui jeung sesana balad Banten ! Perang, perang ! Urang Pajajaran Dihurup hiji musuh salikur Sabab urang Banten Dibantu ku balad ti wetan ! Lantaran balad musuh nu ti wetan Tambah deui tambah deui Nya kawalahan ogeh Raja urang Nya kawalahan ogeh Ki Santang Nya kawalahan ogeh Si Lengser ! Burubul musuh ti kidul Surudug Si Lengser ka kidul ! Burubul musuh ti kulon Surudug Si Lengser nangkis di kaler ! Burubul musuh ti wetan Surudug Si Lengser ngamuk di wetan ! Urang Pajajaran perangna rosa jasa ! Sakabeh ngilu perang Aki-aki ngilu perang Nini-nini ngilu perang Karuhan nu ngarora mah Nu lelengeh ngilu perang Nu barujang Ngalawanana galak jasa Sabab ku beubeureuh Mun ku musuh Nu sapotong dikeureut sapotong kimpoi the Endeuk moal dijadikeun ! Perang nu cawene ? Leuwih giras ti cangehgar

Sabab arinyana heunteu sudi Mudu leungit anu nyempil Dicarokel make obeng ! Perang, batur, perang ! Mangkin lila beuki rosa Mangkin tambah balad musuh Beuki kawalahan Pajajaran ........... ! Ceuk Raja ka Si Lengser : Mun kieu terus-terusan Matak boa mudu mundur ! Ceuk Si Lengser : Encan wayah ! Leuwih hade Urang ganti aturan perangna ! Urang make aturan anyar Nya eta Akeul dulang kaju samida ! Hartina Kaju seungit pieun ngukus ! Tegesna Amin jaya aya di urang Tangtu musuh bakal musna Tapi Amun apes papasten urang Paeh geh moal jaradi jurig Sabab sukma urang Diparenahkeun di kahiyangan ! Lantaran paehna urang Gara-gara Satuhu ka Sang Rumuhun Bela-pati ka Nagara ! Ceuk Raja : Kumaha ngaturna ? Ceuk Si Lengser : Geura tuturkeun ! Laju Si Lengser ka tengah tegalan Burudul musuh ti kidul Suruntul Si Lengser ka kaler ! Burudul musuh ti kulon Suruntul Si Lengser ka kidul ! Burudul musuh ti kaler Suruntul Si Lengser ka wetan ! Cindeukna mah Perang cara Si Lengser teh Datang ka lebur jagat tetempuran ogeh Moal deuk aya nu bisa nuri ! Sadupak-dupakna matak cilaka Satubruk-tubrukna matak ripuh Satejeh-tejehna matak bengek Satincak-tincakna matak bohak Sarawel-rawelna mataj soek Nya karuhan Musuh mani paburisat ! Kumaha amun Burubul musuh ti wetan ? Suruntul Si Lengser ka tengah tegalan !

Amun musuh anggeus parek Si Lengser laju nonggeng Bari nonggeng nyingsatkeun samping ! Ku maha ari musuh ? Arinyana laju bae kasima ! Sabab pikir arinyana Eta kanjut inyana geus sagede kiiiitu ... ! Tada teuin meureun gaganden inyana mah ... ! Nya laju sakabeh anu nareuleu Si Lengser nonggeng Pada kalenger ! Cindekna perang cara Si Lengser mah Datang ka iraha ogeh Moal endeuk aya nu niru ! Teu kabilang anu modar Teu kabilang anu rarusak .... ! Nu teu katibuk teu kadupak Teu katejeh teu kasiku Ripuhna mah sarua baeeeee ... ! Malahan arinyana mah Paraeh teh leuwih cilaka ! Nya eta Molotot bari sambutut Bari leungeun marencet irung ! Sabab Si Lengser Perang teh inyana mah mamawa sigung ... ! Tunda heula ! Keun Si Lengser sina nurutan sigung Kapalang urang lajeung batur ! Urang mah, urang tempo Raja urang ! Nu keur perang dibantu ku Ki Santang ! Perang nyana rosa jasa ! Datang ka tegalan sakitu legana Jadi heurin ku nu keur perang ....... ! Ting dorongkok tampal nu reuntas Ting bareok dapuran awi ... ! Tegal lega Ngalegaan ... ! Beuki lega beuki lega ....... ! Engkena di tegalan tadi perang, ngadeug lembur Nu kiwari disebut Tegal lega ! Ceuk tadi ogeh Urang Pajajaran kawalahan ! Sabab najan gagah najan sakti ! Ari musuh Tambah deui tambah deui mah Lila-lia nya kawalahan jasa ! Raja urang kasedekeun ka beh kidul Ki Santang kasedeken ka beh kidul Ari Si Lengser ? Inyana mah terus bae saradag sarudug susurudug ..... ! Barang nyurudug deui the Kalangsu teuin .... ! Engeuh-eungeuh

Inyana tikacubar di Cai Sadani Pucunghul inyana timbul Alagag-euleugeg bari kabesekan Laju Gurawil keuna gawir Jiga peusing unggah ka pasir ! Hanteu kanyahoan ... Kadewek ! Cokor Si Lengser sadua-dua Ti lebak aya nu newak ! Heu ! Si Lengser aya nu ngabeubeutkeun ! Mani nambru jiga mandilaka dalu ! Ceuk nu ngabeubeutkeun sabari nyareungir : Heheh ! Kapiheulaan nyah ! Ceuk Si Lengser : Heueueueu ... Euh ! Laju inyana endeuk ngalawan Ngalawan bari muranteng Bari muranteng keuna cangkuwang ! Tapi ti lebak Cokor Si Lengser duanana Dibaredol sataker tanaga ! Laju Si Lengser tetejeh , Satejeh kadia tejeh ! Katilu tekeh mah Gubrag bae Si Lengser ngajolopong ! Laju disesered Digusur ka lebak deui ! Reg randeg Sabab Si Lengser muntang keuna cangkuwang deui ! Cangkuwang geh cangkuwang baheula lain cangkuwang jaman kiwari ! Laju pabedol-bedol .... ! Musuh ngabedol Si Lengser ! Si Lengser ngabedol cangkengna ! Bedol Bedol ! Bedol pabedol-bedol ! Ari nu ripuhna mah Nya Si Lengser baeeee ! Pikir inyana : Saha manusaaaaa nu ngabedol ? Ari ret the Kadeuleu ku inyana dua urang ting carengir ! Ceuk Si Lengser : Geuning si ganggarangan ! Si Anom jeung si Anis ! Ceuk Embah Anom jeung Embah Anis : Heheh ! Beunang siah ayeuna mah ! Si Lengser motah deui ! Inyana motah jasa Tetejeh sabari muranteng Bari muranteng sabari nyerengid ! Ceuk Embah Anom : Bedul nis ! Urang sundatan !

Ceuk Embah Anis : Bedul nom ! Urang sundatan ! Ceuk Si Lengser : Moal teurak ! Geus liat teuin ! Laju pa bedol-bedol deui .... ! Bedas nu ngabedol Pageuh nu dibedol ... Tapi lajuna mah Cangkuwang laju rungkad pegat akarna ! Harita ti patuha Di tonggoheun Balekambang Ku balad urang nu keur jaga Kadeuleu Si Lengser keur rorowesan ! Laju di tarulungan ! Durudud Si Lengser digarusur ditarulungan ! Dereded ! Si Lengser disesered Disered musuh ka lebak deui Disesered ka sisi cai ! Durudud ! Si Lengser ku batur-batur Digusur ka tonggoh deui Dibawa unggah ka lebah Patuha ! Tapi Dereded Si Lengser ku musuh-musuh Disesered ka lebak deui ! Durudud deui ! Dereded deui ! Ka tonggoh deui ka lebak deui Datang ka gawir lebah dinya Beuki legok beuki lega ... ! Ceuk Si Lengser : Terus batur terus ! Itung-itung ngangaraji jagat ! Terus ! Abeh kurap dina taktak Abeh hapur dina bujur Kabeh beak ka akar-akarna ! Ceuk balad urang di patuha : Rambati .... rata haaayu ! Laju Durudud Si Lengser digusur ka ruhur ! Ceuk embah Anom jeung embah Anis : Upih jambe murag ngabete ! Bereleeeeee ! Dereded Si Lengser ku Embah Anom jeung Embah Anis Deserered deui ditatarik deui ka sisi cai ! Barang anggeus ku batur-batur Didurudud ka luhur deui Kumusuh deuk disered ka leubak deui Ceuk Si Lengser ka urang Patuha : Esotkeun batur leupaskeun ! Atuh barang dereded teh Embah Anom jeung Embah Anis Nararik the Badis meset jeujeur pegat useupna ! Mani tinggulitik jujuralitan

Ting garolong ka lebakeun Paheula-heula jeung Si Lengser ! Lantara Si Lengser mah Awak inyana lintuh cara kebo buleud keur reuneuh Atuh Si Lengser mah Ngagorolong teh Cara berenuk murag di lamping ! Karuhan Inyana datang pangheulana ka sisi cai ! Ceuk Si Lengser ka nu ragag pandeuri : Warani ? Ceuk Embah Anom jeung Embah Anis : Ke heula ! Ulah wara di tanya ! Lalieur keneh Jeung can eling bener ! Puguh ceuk ti heula ogeh, perang baheula mah Hanteu cara perang di jaman kiwari ! Si Lengser teu tatanya deui ! Embah Anis jeung Embah Anom laju dirawu Dialungkeun ! Ari Embah Anis ? Inyana ragag di bilangan kiwari tanah serepong ! Ari Embah Anom ? Ragag di bilangan kiwari tanah kuripan Skalereun gunung bubut .... ! Bejana mah Engke teh jaradi karamat ! Ngan digaranti ngaran Lantaran areraeun eleh perang ! Jeung lantaran ngaran Anis jeung Anom mah Cara ngaran Jaya jeung Tubagus Eta mah ngaran arinyana di keur budak ! Apan ari geus jaradi pangkat mah Ngaran arinyana sarejen deui .... ! Ari gawir urut Si Lengser diseret jeung digusur Kiwari teh aya keneh ! Lebah dinya disarebut dereded .... ! Anggeus ngabalangkeun musuh nu dua Si Lengser laju ngulon ngaler Karep inyana deuk ngadeuleu beusi aya eukeur ripuh Beusi aya balad keur kawalahan .... ! Di lebah urut Si Lengser lengak-longok tempa-tempo Engkena ngadeug lembur anu kiwari ngarana lolongok ! Barang Si Lengser keur telag-telog Cara bango ngadodoho bangkong Inyana kadeuleu musuh ! Laju diaruber, dikarepung diarudag-udag ! Si Lengser nyumput ! Inyana teuleum dina rawa nu loba bolangan ! Engkena Di urut Si Lengser nyumput Ngadeug lembur nu dingarana rawa balong ! Ti enggon inyana nyumput Kadeuleu ku Si Lengser

Musuh ngaleut keur naranjak Ngabondong ka tonggoheun Laju ngarumpul di leubahan anu rata Engkena Di lebahan dinya nadeug lembur Nu kiwari disarebutna bondongan ! Sabab di lebah dinya pisan ngarumpulna musuh nu eundeuk ngarugrung bari naranggoan parentah mudu taram ! Anggeus mahi batur-batur arinyana Musuh laju ngarugrug .... ! Urang Banten beuki galak leuwih bengis Sabab tambah loba nu ngabantu arinyana ! Urang wetan leuwih loba Tambah wani tambah galak Sabab tambah loba batur arinyana ! Urang Pajajaran geh Tambah ...... ! Ngan tambahna Tambah beak ! Sabab hiji ngaganda salikur Salikur ngalawan musuh aya ratusan ... ! Nya karuhan Urang Pajajaran geus kalingung ! Musuh tingtarekel keuna kuta .... ! Der perang dijero eun kuta Di belahan kiwari aya lembur jero kuta ! Kuta beak imah beak Beak saung jeung kandang-kandangna Beak dirakrak jeung dihuru Diduruk musuh nu lain tanding dina lobana ! Ceuk urang Pajajaran : Lengser, Bapa, Aki ! Kumaha ...... ? Ceuk Si Lengser : Mundur, batur mundur ! Urang mundur ngetan ngidul ! Laju urang Pajajaran mararundur Nyabrang Nyararabrang leuwi Ki Pata Hunan Ka sabrangeun gintung nu tujuh ! Nya amprok jeung Raja urang Di tegalan tungtung kidul Tonggoheun cai leutik ! Ceuk Raja ka Si Lengser : Ripuh mun kieu mah ! Boa-boa urang mudu taluk ? Karunya ka somah ! Teu deuk narima batur ka siksa ! Ceuk Si Lengser : Pajajaran mah Gusti Cadu keuna taluk Sabab buyut ti karuhun ! Lebahan Si Lengser nyebutkeun buyut Engke the disarubutna cikabuyutan ! Ceuk Raja : Dayeuh geus direbut musuh !

Ceuk Si Lengser : Najan dayeuh geus karebut Raja mah teu meunang taluk ! Pajajaran teh lega keneh ! Lega keneh enggon perang ! Terus Gusti terus ! Najan perang sabari mundur Urang mundur the lain eleh Urang Pajajaran laju mundur .... ! Lain mundur kasedek ku Urang Banten jeung Wetan ! Tapi mundur Kantaran hanteu nanding dina loba ! Tah eta gara-garana datang ka engke Urang Sunda Ti harita datang ka kiwari Kadeseh deui kadeseh deui Ka sakur anu daratang Ngaradon hirup di Tanah Sunda Jeung daratangna Nu ti Kulon jeung ti Wetan ! Da bongan urang Sunda keneh jeung Sunda keneh Marantuan anu daratang Sina nyampalan di urutna Pajajaran Tengah ! Sabab-sababna marantuwan jeung gararantep Sina deungeun-deungeun nyarampalan ? Lantaran pada sarieun Urang Pajajaran Tengah jaraya deui ! Lantaran Pada saririk ka urang Pajajaran Tengah Anu dina wayah nu bakal datang Barus ngaluluguan Bangsa Sunda ! Ngajajarkeun Anu bener ti nu saralah .... ! Jeung lantaran anu saririkna Sarieun kaboker sagala salah sagala teu bener ! Urang caturkeun deui lalakonna Urang Pajajaran Tengah terus kadesek Urang Pajajaran Bogor memang kadesek ! Lain kadesek ku sabab eleh Tapi eleh dina papasten .... ! Jeung elehnn Eleh soteh Kadunyaan Kapangkatan Kakawasaan Salila Genep jaman katujuh jalan .... ! Tah salila eta Urang Bogor Pajajaran Baris dijarieun kekesed dina balumbang ..... ! Urang kocapkeun deui nu keur marundur ! Marundur sabari perang Sabari perang mundur ka girang ! Nya anjong ka suku gunung Ka legok anu nyangkewok .... ! Di dinya laju rareureuh

Bari naranggoan kejo asak diseupan ! Tapi henteu kaburu asak Sabab musuh kaburu nyusul ! Plok ! Aseupan ditamplokeun Kejona dibawa laju ! Blok ! Seengna dibahekeun Caina ngocor ka kobak ! Tah di lebah dinya Engkena nadeug lembur anu datang ka kiwari disebutna ciseupan ! Datang ti kiwari cai dina eta kobakan Caina teh haneut bae ! Jeung kitu sabab-sabab datang ka kiwari Di lebah dinya sok loba cawene Ari ngejo sok tara asak ! Lain teu asak teu bisa ngarerejo ! Tepi teu arasakna Lantaran ngarejo teh Sok ditaringgalkeun ocon jeung beubeureuh ! Urang susul nu keur marundur ! Marundur marundur terus ......... ! Nya anjlong ka hiji jurang Nu gawir-gawirna jero jasa Jero leuweung kawung wungkul ..... ! Laju nyarieun cukang Tina wakung nu karolot jasa Tina bengkel parajang tangkal Jeung nyarieun cukang Tina tatangkalan anu galeuhan ...... ! Engkena di lebah dinya ngadeug anu datang ka kiwari Disebutna cukang galeuh ! Laju ngararukan ..... ! Nyararukang gagancangan Ambeh teu kasusul musuh Laju nyararusup ka hiji leuweung Sisi cai lebah nu singkur Seja arinyana eudeuk reureuh Eudeuk nyareluk para karuhun Bari nyararambat ka para Dewa Sing hate keu-eung dipangnegerkeun Sing diwanikeun hate nu sieun Jeung ditangtayunan jero galungan .... ! Abeh Amun paeh di pangperangan Jaga bisa ngilu deui Hutang uyah maray uyah Hutang jiwa maray jiwa ....... ! Sabab dina marundur Lain urang Bogor Pajajaran kadesek perang Tapi perang teh Apanan sabab manadeh Hanteu purun dipaksa deungeun Hanteu sudi ganti sembaheun Hanteu sudi tukeur pangdeuleu

Hanteu sudi ganti karuhun Jeung hanteu sudi nurutan adat Bawa deungeun ti tanah sabrang ! Jeung lain manandeh ka gantina jaman Tapi manandeh Ka jaman mudu nurut bae jadi badega ! Cai leutik lebahan manandehna urang Bogor Pajajaran Engkena disarebutna cimanandeh di dinya engkena Nadeug lembur anu sangaran ! Laju robah jadi cimanande Kiwari jadi cimande ! Lain tina mande mapandean Tapi tina mande nu manandeh ... ! Tunda nu manandeh ! Sina naranggoan datang wayah maray hutang ! Wilujeung weungi batur ! Bisi aya nu kaperluan keur di mana, kaula deuk ngawaris "Rajah Pamunah" Pieun merenahkeun kabeh dedemit alias jurig ! Ajang nu daek baeeee nu mbung mah kajeun. Kunyit bodas hanet jahe Panglay ngaran panglajuan Ngalajukeun jeung munahkeun Sagala gawe ti beda pikir ! Pikir kula di manusa Pikir dia di dedemit Teu ku sia deuk kapikir Teu ku sia dipikir heula Kadupak da bongan sia Katajong da bongan sia Kadiukan da bongan sia Kababuk da bongan sia Katenggor da bongan sia Kaciduhan da bongan sia Kakiihan da bongan sia Apan sia mah teu kadeuleu ku mata manusa ! Tapi sia anu neuleu Kunaha heunteu ised Kunaha teu ngabejaan Ulah sia eudeuk licik Ulah sia deuk anjukan Hayuh esotkeun ! Nyingkah Beusi dibura di mata sia Kuciduh reuhak Pajajaran ! Reuhakeun ciduhkeun !!! Musnah sia ! Lajeung Kocapkeun Matapowe surup ka kulon ! Nu nyarusup nyareungeut amar ....

Samaruk arinyana di anu singkur jero leuweung ! Hanteu nyarahoeun Kadeuleu ku musuh ti kajauhan Laju disarusul Ger perang deui ! Paperangan marawa obor ! Pajajaran ngaganda terus Nya karuhan Mudu mundur terus deui Lain mundur hanteu nanding hanteu tanding Tapi hante tanding dina bilangan Pes ! Pas pis pes pus .... ! Pos ! Sakabeh obor Pajajaran dipareuman Powekna mani mongkleng jasa Mundur sabari ngileus Ngileus kajero powek ! Ari musuh ? Lantaran powek sagala powek Nya kakadek jeung teuteunggeul the Hanteu barisa bari deudeuleu heula ! Karuhan Loba balad musuh anu marodar Dikadek batur arinyana keneh Loba bakad musuh patinggarojod gegerungan Ditareunggeulan batur-batur arinyana keneh ! Urang Pajajaran mundur terus .... ! Mundur, mundur, mundur Mararundur di anu powek .... ! Tengah jalan Papapag jeung awewe limaan Ngarelek samak nyaruhun anngel ! Ceuk awewe limaan : Ka marana jeung peuting-peuting ? Ceuk Si Lengser : Ka marana jeung peuting-peuting ? Ceuk awewe limaan : Eudeuk ngendong ! Deuk ngendongan nu hudang ngajuru ! Ceuk Si Lengser : Kula geh daek diajak ngendong Ngan embung jeung anu hudang ngajuru ! Ceuk awewe limaan : Kula geh moal ngajak ngendong Da kabehan boga salaki ! Ceuk Si Lengser : Kula geh moal eudeuk ngendong atuh Ngan kaula eudek nanya Ka mana nyai jalan buni nu teu herit ? Ceuk awewe limaan : Tuturkeun bae kaula ! Tapi ulah parek teuin beusi adek ! Ceuk Si Lengser : Moal atuh ! Ngan bisi kapohoan Bubuhan nu keur pararowek

Aya di anu pararowek Halangan bea tah ku anggel .... ! Di urut lebahan papah jeung eta awewe limaan Engkena ngadeg lembur anu disarebut panca wati Ku awewe anu lima Urang Pajajaran Bogor dianteur Dianteurkeun ka gunung jauh ti musuh ! Bray beurang ! Laju ngareureuh Ceuk Raja ka awewe anu limaan : Geus ! Datang ka die bae ! Naeun hayang piburuheun dia nganteur ? Ceuk awewe salimana : Gusti ! Kaula kabehan Hanteu hayang di buruhan ! Kaula mah Seja ngabakti ! Ceuk Raja : Hade ! Tapi turun-runday rawayan dia kabehan Sakur anu narurut ka kolot arinyana Baris jember salila hirup ! Seug Geus marulang ! Di urut eta awewe lima pamitan eudeuk marulang Engke the nadeug lembur anu baris mawa ngaran parbakti ! Ti dinya Urang Pajajaran terus maju ngidul rada ngulon ! Sup ka leuweung Jol ti leuweung ! Asup leuweung, ka luar leuweung ! Unggah gunung, turun gunung ! Arasup deui ka jero leuweung Ka ruar leuweung ! Hante eureun-eureun Gunung, leuweung, gunung Leuweung, leuweung Leuweung deui leuweung deui Leuleuweungan di ruhur gunung ! Tunda ! Lajeung batur ti nu geus surup Teu kacatur di jalanna Ngan dicaritakeun Si Lengser leumpang di heula ! Sabab inyana Mudu nyacar nyieun jalan pileumpangen ! Si Lengser nyacar Nyacar, nyacar .... ! Panjang jalan nu dicacar Panjang pijalaneun nu mudu dicacar Leuwih panjang manan carita

Amun kabeh dicaritakeun Mantak panjang teuin picaritaeun Mantak bray kaboro beurang .... ! Pamali ! Beusi kapiteuheulaan mantare Ku nini nini kiih di pipir Urang kocapkeun bae Turun gunung, ka ruar leuweung Asup leuweung, unggah gunung ..... ! Laju datang ka hiji leuweung deui Nyao teuin di lebah maaaaana ! Leuweung gerotan ! Cep tiis Jep jempling Geu-euman Mantak keu-eung Mantak sieun ....... ! Ngan Si Lengser nu teu sieun Ngan Si Lengser nu teu keu-eung ! Nyuruncul inyana asup Laju nyacar Inyana nyacar ku dua leungeun ! Mani but bet Sabab nyacar the kenca katuhu Sabeulah deui gobang ! Mani but bet Leungen inyana badis kolecer Bari suku tetenjag bae Tetnjag ajretajretan ! Da ngarana geh Nyacar jalan jero leuweung Loba langgir jeung bajongbong Sireum beureum tingkarayap Ngaregelan keuna kanjut ! Nyacar Si Lengser gancang jasa Da nyacar teh Lain sa nyacar nyacarna Tapi nyacar make parancah ! Ceuk Si Lengser : Arasup batur ! Arasup ! Urang Pajajaran laju arasup Keuna galur ngabulumbung Jiga gonggo nu golowong Beunang ngacar diparangjahan ! Sup ararasup Beuki jero beuki jero Tapi hanteu beuki ngeunah karasana ! Sabab beuki jero beuki tiis Beuki keueung beuki sieun ! Beuki jero beuki powek Beuki powek remeng remeng Jeung caang the samar samar ! Laju bae Keueung the beuki tambah Bulu punduk pating purinding ! Beuki tambah bae sieunna

Beuki pasesedek anu leumpang Pada pada areumbung pandeuri Nu pandeuri harayang di hareup Nu di hareup harayang ti heula Nu diais areumbung digilir Nu digarendng arembung di tukang ! Da sarieun aya nu nyewol Sieun aya nu nyungkur keuna bujur Sarieun aya nu narik sabari nyiwit Ka nu nyempil di sela pimping ! Nya lajuna mah Sawareh mah Laleumpang teh sabari mundur Ngarah kadeuleu Mun ti tukang aya nu eundeuk jail ! Kabeh pada keueung Sakabeh pada sarieun ! Keueung na ? Ku lantaran rarasaan bet jati beda ! Sarieunna ? Da bongan batur batur pada sieun Jadi be kabawa sieun ! Ngan Si Lengser bae anu ludeung Inyana mah hanteu sieun hanteu keueung Ceuk Si Lengser : Ari sieun ari keueung Amun leumpang the ulah nuking ! Mudu sabari nyangigir, batur ! Nyangigir ! Laju kabehan leumpang nyangigir Cara kapiting malipid gawit sisi basisir ! Ngan Raja Ngan Ki Santang Parabu Anom Jeung Si Lengser Nu laleunpang biasa bae ! Da laludeung ! Beuki laju beuki powek Beuki jero beuki powek Ngan tiluwan anu tadi Arinyana mah hanteu parowek ! Sabab arinyana mah Laleumpang teh Jaradi panjang jalan nu baris karosong Jaradi panuduh jalan sapanjang jaman ! Jaman Sunda leungiteun jalan ! Beuki laju beuki keueung Beuki bae sarieunna Lajuna mah Reg bae pada ngarandeg Sejen ti anu tiluwan mah Urang Pajajaran sakabehna Pada ngarandeg Hanteu warani lalaju deui Ngan tiliwan anu warani bae Raja urang, Aria Santang jeung Si Lengser ! Si Lengser mah Lain wani lantaran ludeng

Tapu ludeung sabab teu haliwu Jadi boro boro engeuh lebah nu keueung ! Pacet geus sagede kohkol geh Nangkol di punduk inyana Si Lengser mah hanteu eungeuh ! Inyana tonggoy bae nyacar Nyacar, nyacar .... Mani haliwu bari pakeupis Datang ka hanteu eungeuh Nyacar teh Dituturkeun Raden Santang Parabu Anom Jeung Nyi Putri ewe inyana Jeung ku balad loba salapan Jeung ewe arinyana loba salapan ! Naruturkeun sabari wani Bubuhan nuturkeun dua jago Hanteu ludeung hanteu ludeung ogeh Sok kabawa ludeung ! Ngan Raja nu ngilu ngarandeg ! Lain ngarandeg lantaran hanteu wani hanteu ludeung Tapi ngarandeg teh Raja urang mah Ngabaturan nu teu laludeung Ngaburihan anu kareder Sabab Raja urang mah Raja nu puguh nyaah ka somah ! Tunda nu ngarandeg Sina di burihan Raja Sunda anu adil ! Lajeung Urang mah, urang tuturkeun Si Lengser nyacar bae ! Najan nyacar make parangjah Ari geu datang ka wayah Mudu tepung ka kabeh mudu mah Najan Lengser Pajajaran ogeh Nya kapaksa Nyacar the mudu ngarandeg Lain ngarandeg lantaran keueung Lain ngarandeg sabab teu ludeung Tapi lantaran ngadak ngadak Gobang jeung parang teh Ujug ujug rarompang jeung potong gagang Ceuk Si Lengser bari heran : E eh naeun jeung nu hanteu teurak ? Laju diilikan ! Seeebut cadas da lain cadas Seeebut batu da lain batu Seeebut tunggul da lain kaaaayu ! Sebut buleud da puguh lencop ka handap Sebut gepeng da puguh ngunggul cara pais bakatul ! Jeung di tengahna Aya legok pameulahan ! Jeung ari diinget inget Baruk badis surabaha didempetkeun !

Ceuk Si Lengser : Naeun ieu teh batur ? Tapi nu diajak ngomong Naroyod terus ! Jiga hanteu ngadarengeeun ! Laju ceuk Si Lengser : Sugan tarooooooorek ? Tapi nu diajak ngomong Naroyod terus Narabas leuweung acan dicacar Cara badak naratas atas .... ! Narayod bae bari ngabuyut Bari wani eujeung ludeung Da ngarana geh Nuturkeun anu laludeung Raden Santang eujeung Nyi Putri ! Si Lengser jadi himeng Inyana deuk nyacar deui Ku gobang rompang teu make gagang Ku parang romping teu make gagang Car sakali car kadua kali Car car car ka genep kali car Parang the ngan kari ngaran ! Laju eundeuk nyacar make gobang nu geus rompang ! Tapi gobang nu romping Potong dua bari mecleng ! Ragagna ? Ragagna di Tanah Jampang Nu sapotong pondok Ragagna di hiji gunung leutik Nu sapotong deui Ragagna di hiji gunung leuwih ruhur ! Eta dua gunung engkena disarebut sewang sewang gunung rompang ! Ceuk Si Lengser dicowongkeun : Batur ! Batur ! Batuuuuur ! Tapi nu naroyod terus Naroyod terus ! Ceuk Si Lengser : Ja bener taroooooorek ! Ngomong sakitu bedasna hanteu kadenge mah Nya heueuh bener tarorek ! Memang jaradi tarorek ! Lain torek sabab torek ngadak ngadak ! Tapi torek geh hanteu kadenge Sabab Urang Pajajaran nyarasab Arasup ka jero leuweung nu katelah Leuweung ci torek ! Ari leuweung ci torek ? Lain leuweung sabongdrong leuweung ! Tapi leuweung anu mones Amun jero leuweung ci torek Jelema ngomong ka jelema deui Najan ngomong hahaokan Najan ngomong ditamplokeun

Keuna ceuli nu parendeng Moal eundeuk kadenge sora Ku ceuli di hoakan ! Da ngarana geh Di leuweung ci torek ! Amun aya nu nuwar kayu Di gecok nyeblog bedog inyana Jeung dorokdok gubrag tangkalna Moal nu nuwar eundeuk ngadenge Gecokna sora ti bedog Gurubugna sora nu rungkad ! Da ngarana geh Di leuweung ci torek ! Leuweung ci torek anu baheula ! Nyaooooo di leuweung ci torek nu kiwari mah Urang caturkeun deui Si Lengser Inyana luak lieuk Laju gegerowan : Batur hwueueueuew batur ! Baruk bet jadi keueung batur ? Ceuk Si Lengser bari gegerowan : Ulah keueung heuheuh ! Ceuk Si Lengser keneh bae : Ari keueueueung huhuh ! Ceuk Si Lengser keneh bae bali culak cilek : Camahan ! Camahan atuh ! Laju satiung ku daun bolang Laju Si Lengser ngudar cangcut inyana Gurinjal padonghol Lol ngagayot Badis sayang tawon rerabkeuneung ! Bari nyamahan beunget Si Lengser ngarawel daun bolang Laju ditiungkeun Kakara inyana engeuh ! Ceuk Si Lengser : Hohhoh hehheh ! Ihiiih baruk ieu mah Geuning leuweung ci toreeeeek ! Laju kadeuleu ku inyana Rupa rupa deudeuleuan anu tadi hante kadeuleu Ting arayun ting gayabag Ting garayang ting gayabag Ting kodongkang ting kojengkang Ting jarebe ting baregeg Jeung patinjalawak empot empotan ! Kadeuleu Anu manyong anu menyeng Anu bentelu tapi pacer Anu mononod cara terong .... Beuki gede beuki panjang Cuculagetan cara hileud jeungkal ! Kadeuleu Anu ceper namarok meber Anu muncul nyuat di handap Anu kandel bari pengkeur

Anu kandel tap beye Anu peyot mani hepe ..... ! Kadeuleu Nu jambulan ngan diruhur Nu buukan jiga jabringan Nu buukan tapi parondok Nu buukan tapi carang ..... Jeung nu garundul euweuh buukan ! Kadeuleu Nu jangkorang nyaruncung hulu Nu bareke garepeng hulu ..... Tapi anu panglobana mah Anu badis bae supa pare ka tungtungna ..... Kabeh kabeh Ting palotot ting arelel Arenyet nyarampeurkeun ..... ! Ceuk Si Lengser : Heuheuy eta siiiiiiiiia ! Dedemit jurig eujeung siluman Jurig jarian eujeung kelong .... ! Dewek nyaho di ngaran sia ! Ngeser ! Awas siah ! Amun heureuy pangangguran Amun jail hiri dengki Sia ku dewek Dibekok .... ! Ci torek jeung leuweungna Leuweungna jeung eusina Sakabeh jeung sia ...... Pajajaran anu boga ! Hayuh ! Ngeser ....... ! Laju Si Lengser ngareuhak Bari nagreuhak sabari hitut Mani paburiyak saeusi leuweung Nyarusup pajauh jauh Nyarumput pabuni buni ! Ti dinya Laju Si Lengser nyampeurkeun Raja Ceuk Si Lengser ; Katalimbang Gusti ! Mulang deui ! Ieu leuweung loba eusina Loba jurig jeung dedemit ! Laju urang Pajajaran nu ngarandeg tea Marulang deui Marundur deui marapay galur .... ! Urang tunda heula Keun sina marundur deui marapay galur ! Lajeung batur di powek mongkleng ! Urang susul ayeuna Raden Santang Parabu Anom Aria Cakrabuana ! Keur Si Lengser nyinglarkeun saeusi leuweung ci torek

Raden Santang mah noyod terus ..... Bubuhan anu ludeung ! Ki Santang noyod terus ! Dituturkeun ku nu ngarilu Bubuhan ari nuturkeun Jawara mah Hanteu ludeung oge Sok jadi rada ludeung ! Digerowah ku Si Lengser ! Da puguh di leuweung ci torek Atuh hanteu kadarengeeun ! Raden Santang Parabu Anom Noyod terus ... Dituturkeun ku nu ngarilu ..... ! Leumpang arinyana ? Nutur nutur galur maung Mapay mapay lacak badak .... ! Nya laju anjlug ka hiji lebah anu lega ! Eukeur lega diriung gunung Jeung pasir pasir di beulah hilir ! Di inyana deuk ngababakan ! Tapi aya sora euweuh rupa Nu nyarita ka inyana : Acan wayah ! Kapalang ! Lalakon tinggal sababak ! Siyar heula ku dia Di nu singkur tapi subur ! Tah di dinya Dia meunang ngababakan Ngarawaykeun turunan dia ! Tapi Di lemah nu ngeplak bodas Ngan dia sakuren dia nu meunang cicing ! Nu sejen mah Mudu misah ! Sina arimah imah hanteu jauh Di tegalan karungruman Ku rurungkunan wungkul baduyut ! Di dinya Dia sakabehan Garanti ngaran ! Laju dia kabehan pada alok Hanteu nyaho Pajajaran ! Sababna ? Sabab Pajajaran Mudu heula salin ngaran Malih wawangi nu kasili .... ! Engke Di jaman kembang tarate Diparake nukeuran beyas Baris aya kembang jadi buwah Dina tangkal gede Nu buahna teu usuman ! Tapi saban usum buwah buwah ngabeungbeureuman Di tangkal eta Mudu bae aya buwah

Diweureueun ka nu jaraya Tapi Ngabeuntakeun anu lalolong Jeung ngahejarkeun sakur nu nineung ! Salila lemah lebah cawene Can digarap ku nu barogana Bawa ku dia ngaran Batara Ibarat cikal dina bancul ! Engke Di jaman anu mudu keneh kasorang Aya wayah Rawayan dia mudu nepungan hiji baraya Nu ngalalakon bari dilalakonkeun Tah inyana Nu nyekel tulak ka Pajajaran Tapi euweuh saurang anu areungeuh ! Sabab Najan nyembar pangabisa Najan unggul di pangaweruh Euweuh inyana nu ngajenan ! Sabab imah inyana Dihateupan ku haneuleum Ditihangan ku hanjuang Dipantoan Batu satantung Ayana di birit leuwi Ki Patahunan anu baheula ! Samemeh datang wayah eta Rawayan dia baris Moal suwung suwung ku cocoba Baris saban saban kadatangan semah ! Aku ! Da ngarana geh semah ! Tapi sing waspada ! Sabab arinyana Harayang nyaho Saha rawayan dia, saha Pajajaran ! Jeung arinyana Aya nu baris mamaksa Rawayan dia garanti cara sineumbah ! Inget ! Rawayan dia ulah wara sina muka rahsiah Mun can tepung jeung nu nyekel tulak .... ! Laju Raden Santang jeung nu ngarilu Narindah deui Nyariar lebah nu bodas lemahna ! Tunda ! Keun sina ngababakan Saaeun urang engke jaga ..... ! Urang teang deui nu ka raruar ti jero leuweung ! Urang Pajajaran eujeung Raja jeung Si Lengser Ka ruar deui ti jero leuweung Laju narindak datang ka hiji gunung Laju ararunggah .... Beuki ruhur beuki ripuh Jeung ngadak ngadak Datang sasalad ....

Anu arunggah jadi barongkok Nu marudun jadi saronggeng ... Kolot budak nyareri cangkeng ! Ceuk Raja : Euweuh nu mawa jajamu ? Ceuk Urang Pajajaran sakabehan Sakabehan di barengkeun : Euweueueueueuh .... ! Ceuk Raja : Mana Si Lengser ? Ceuk sakabeh urang Pajajaran dibarengkeun : Euweueueueueuueh .... ! Si Lengser memang euweuh Lain euweuh sabab paeh nyeri cangkeng Tapi euweuh hante kadeuleu kadeuleu ! Inyana asup ka leuweung Hanteu lila kurunyung deui Dina hulu nyuhun buntelan Nu dijieun tina iket inyana ! Dina tonggong ngagandong buntelan Bunteulan tina jemang inyana Leungeun kenca nyangkeh buntelan Bari leungeun inyana anu katuhu Ngabunian buntelan sagede nangka meujeuh angeuneun Jeung di ruhurna Aya jambulan .... ! Mantakna dibunian ku leungeun Sabab samping inyana Ceuk tadi geh Apanan dipake buntelan ..... ! Gubrag ! Tilu buntelan digubragkeun Apan anu jambulan Eta mah Buru buru diselapkeun Dikempit tukangeun pingping ! Eurula ...... Eusina buntelan anu tilu Ku Si Lengser diborolokeun ! Ari eusina ? Dangdaunan jeung akar akaran ! Ceuk Si Lengser bari diuk lain nagog lain Da jiga eukeur diuk dina jojodog tanggung : Tah ubarna ! Ki beuling eujeung ki centang Memeniran jeung kumis ucing Campurkeun jeung akar pungpurutan ! Godog, godog ! Caina mudu satihang Nginumna disakalikeun ! Pieun saurangan ! Pieun duaaneun ? Caina dua tihang Nginumna disakalikeun Tah eta tumbal nyeuri cangkeng ! Tah ieu gandapura !

Tumbal keneh nyeuri cangkeng ! Daunna jeung akarna Dirijeus make cikur Laju balurkeun dina cangkeng ! Tah ieu jawer kotok ! Tumbal awewe ararateul Dina lebah dedengkatan ! Jawer kotol leob heula Laju gileus gileus sina leumpeuh ! Laju Gosok gosokeun lebah nu ateul Dirurukeun lebah nu ateul .... ! Amun ateulna renjen bae Wewelkeun ....... ! Ieu akar Akar pangpurutan kembang paul Tumbal pieun aki aki Anu resep keneh Eundeuk eundeukan bari nangkuban ! Godog, godog ! Cara tumbal nyeuri cangkeng ka hiji Ieu kembang ? Kembang pungpurutan anu paul ! Rinjeus ! Laju dipake ngurut Sapanjang gagang datang keuna beuheungna ! Tanggung heuras cara tiwu bodas ! Ieu akar Akar pungpurutan kembang bodas ! Tumbal pieun si nini Abeh dipisono ku si aki ! Godog ! Campurkeun heula pangglay sateukteuk Eujeung pepel parareungkeur Cara anu munding cawene kenah ! Ari ieu pucuk baluntas ? Tumbal pieun ngubaran Bau awak bau kelek Bau di lebah sakur buluwan Bau kesang mani hangru ! Ngubarkeunnana ? Lalab ....... ! Anu kieu ? Jajamu ngan kari jeduh ! Dijeduhna tina Buwah kalengkeng Akar careme Siki areuy tuwa lauk ! Paranti nyuguhan semah Amun hayang dibui ....... ! Ari anu kieu ngarana koneng bodas ! Parud ! Laju balurkeun Ka awak budak anu keur tampek ! Inumanana ? Gogogan akar eurih eujeung seureuh Dicampur daun saga Sakalian ubar batukna ! Mun nu kieu ?

Ngarana the regeg salak Tumbal mitoha anu bawel ..... ! Rojokeun be keuna palangkakanana .... ! Tunda deui batur bisi kaisukan ! Bari nanggowan godogan asak, eujeung ngadedengekeun Aya ragag salak dirojokkeun ..... Lajeung ! Gunung urut Si Lengser nyiyar tumbal kiwari aya keneh ! Nyaeta anu kiwari dingarana gunung tumbal ! Nararincak ngidul wetan Ngidul ngetan rada ngaler ..... Arunggah deui ka hiji gunung Si Lengser unggah pangheulana Seja inyana deuk neuleu ka mana jalan Piwalujaeun bari teu herit Sorangeun jaga Bangsa Sunda Salila jaman Sunda pahili deule Hanteu ragam sababaturan Laju ku bangsa deungeun Kasili deui kasili bae ..... ! Ti mumunggang bahe ngetan Kadeuleu ku inyana Kuwung kuwung ngundak tujuh Jeung ngembatna nyela bumi Jiga ungjah tina sagara Jeung nutugna nimus halimun Keuna logak karimbunan Dina langping hiji gunung Hanteu jauh ti tegalan anu engke jaga Boga ngaran tegal rarangan Jeung baris dicirian Ku caringin tujuh rampag jarangkung Di delang salapan Ki Hara Ngajajarna papageran ...... ! Urang Pajajaran mani areuweh Neuleu kuwung kuwung ngundak tujuh ! Kabeh pada lalajo Pada neuleu mani ngabengbreng Ngabengbreng ti ruhur gunung ! Gunung urut urang Pajajaran neuleukeun kuwung kuwung Kiwari aya keneh Ngarana geh gunung bengbreng ! Meujeuh kabeh pada euweuh Ka Raja nyampeurkeun Nyi Putri pangais bungsu Pangais bungsu ti nu katujuh Saha ngaran inyana ? Kabejaeunana mah Nyi Putri Gandrung Arum ! Ceuk Nyi Putri : Rama Gustiiiii ..... ! Kaula deuk menta widi Hayang ngababakan di lebah itu Lebah kuwung kuwung nutug tujuh !

Seja kaula eundeuk tapa ! Kaula menta pibatureun Tujuh pantaran kaula ! Ceuk Raja : Nyai ! Ngaing moal ngahalang halang ! Seug ! Geura pilih pibatureun ! Nyi Putri laju milih ! Milih milih .... Tujuh kali inyana milih Tujuh kali milih deui Nya dipilih : Tujuh cawene nyampeurkeun mata Sabab galeulis nyeples Nyi Putri Pangawakan nyeples Nyi Putri Sagala gala nyeples Nyi Putri Nyeples Nyi Putri ka sora sora ! Ngan aya Nu dihaja sina bega ! Nya eta Dina karang nu leutik jasa ! Sewang sewang baroga tanda Karang leutik ciga bentang Nu ngagenclang najan beurang Eujeung caangna nu caang .... ! Karang tanda Nyai Putri Dina tengah tengah tarang ! Ari tanda karang nu tujuhan Sewang sewang aya lebahna Aya nu dina pipi kenca deukeut gado Aya nu dina punduk beulah katuhu Aya nu dina susu nyeungseung beulah kenca Aya nu dina tukang Dina birit demplon beulah katuhu Aya nu dina beuteung deukeut ka eta Aya nu dina pingping deukeut ka eta Malah anu saurang deui mah Ditengah tengah nya eta tea .... ! ( Heu euh eta eta inyana tea ..... ! ) Anggeus milih Nyi Putri nindak Ceuk Raja : Lengser Eta lebak urang ngaranan Lebak Cawene ! Salila Nyi Putri encan purun Babakan inyana kasaba semah Salila kitu Eta babakan di lemah eta Moal deuk bisa kasorang jelema anu nyiyar ! Tapi engke Eta lebak di eta lemah Bakal kasaba teu dihaja Ku aki aki ngora keneh Jeung ku budak angon nu janggotan ! Tah eta duaan

Nu ngan baris nyararaho Dina rupa eujeung lebah Dina ngaran Lebak Cawene ! Eta aki aki ngora pangabisa Engke inyana bakal nujah Tapi ka budak angon Anu unggul pangaweruh Inyana bakal katukah ...... ! Engke gara gara aya kutu unggah gunung Eta aki aki baris kadongdong Inyana baris jadi gara gara Anu ngagara garakeun Sunda Paseya jeung urang Sunda keneh ! Bangsa Sunda maseyan Bangsa Sunda deui ! Budak angon anu bela Inyana bakal jadi puraga Sabab inyana sanggup jadi puraga Dina bela melaan Pajajaran .............. ! Lebak Cawene di Lemah Cawene Laju euweuh nu nyaraho deui Sabab budak angon Mawa rasiah inyana ka jero kubur ! Tapi dina tutunggul inyana Baris ngelak bae gagak Nitah ngorehkeun deui karehaneun Dina kalangkang Paku Jajar Ki Pahare .... ! Sabab dina kalakay Hanjuang Sijang Ku budak angon kungsi kabaca Wayah bentang baris nuduhkeun Pijodoeun Nyi Putri Gandrum Arum ..... ! Urang Tunda nu ngababakan ! Keun nu geulis sina jongjon tararapa Bari ngadarenge dengekeun wayah gagak Anu baris ngelak di kuburan ...... ! Lajeung batur ! Urang mah, urang lajukeun nuturkeun Si Lengser Anu anggeus turun laju unggah deui Turun gunung unggah gunung Asup leuweung ka ruar leuweung ... Laju arunggah deui Keuna gunung di beulah wetan Beulah wetan nyecep tiis Mani tiis najan tangari Urang Pajajaran ararunggah Runghap runghap bari tiris Tapi aus teu eureun eureun .... Laju saban reureuh Nginum deui nginum deui Datang ka beuteung arinyana barungkiyang ! Lajuna mah Sakabeh teu eureun eureun Pada harayang kiih bae .... !

Laju karariih Karariih sabari nagog Karariih sabari nangtung Karariih sabari leumpang Karariih teu kaburu nyingsat nyingsat acan ... Nya karuhan Ngariihan samping di jero samping .... ! Ceuk urang Pajajaran : Lengser ! Bapa ! Aki ! Ceuk Si Lengser : Kariih mah kariih beeee .... ! Montong teuin sabari nagog Sabari leumpang geh bisa ! Ngan mudu leumpang sabari ngagegang Eujeung birit teu kakiihan .... ! Gunung urut urang Pajajaran karariih bae, kiwari aya keneh Ngarana geh gunung beser ! Ceuk Raja : Lengser ! Ulah turun gunung unggah gunung bae atuh ! Ngaing bisa begkok dina cokor Bisa bengking dina tuur Eujeung bengkok tina bobokong ! Yeuh, ngaing nyeri cangkeng reureundahan ! Nyiar atuh jalan anu rata .... ! Ceuk Si Lengser : Gusti ! Di ieu jagat mah euweuh nu rata ! Aya geh rata rata Rata rata pada sarakah ! Ti gunung beser Urang Pajajaran nararindak rada ngidul ! Nya anjlog ka sisi walungan Lebahan wahangannana memang lega Jeung ngocorna kenceng jasa Ceuk Raja : Kumaha ... ? Ceuk Si Lengser : Kieu .... ! Laju gawir sabrang wetan anu kidul Diratik ku Si Lengser Abeh wahangan teu lega teuin Sina mahi heureut pieun nyabrang ! Laju nyarabrang Tapi saban nyabrang Laju bae pada katarik cai Anu nyedot cara cai di pamontengan Sabab wahangannana jadi heureut ... ! Nu nyarabrang katarik cai Tepi euweuh saurang geh anu palid Sabab sakur aya nu eudeuk ngaleyong ngagaleyong Ku batur batur geuwat ditarik ! Ceuk Si Lengser : Amun kieu bae mah Saban saban katarik bae cai Moal eudeuk urang bisa datang ka sabrang !

Laju inyana ngagulutukkeun batu gede Nu gede na gede jasa Sok di tengah tengah wahangan ! Ceuk Si Lengser : Luncat batur luncat ! Nyabrang the bari laluncatan ! Nya kabehan pada laluncat Cara lutung laluncatan .... ! Anggeus kabeh pada nyabrang Si Lengser eudeuk mulangkeun batu ka urutna Laju mapatkeun ajian ! Tapi hanteu engeuh Tadi the eukeur nantung di sabrang kulon anu kaler ! Ari ayeuna Inya aya di gawir sabrang wetan anu kidul ! Atuh najan ajiannana bener Wayah mapatkeunnana bener Tapi Ari nyanghareupna hanteu bener mah Atuh kajadiannana teh Hanteu bener ! Lain batu unggah deui ka urut Dina gawir sabrang kulon Tapi batu Babtu nyuruntul ngudag Si Lengser Dina gawir nu beulah wetan .... ! Ku ajian salah nyanghareup Lain gawir wahangan nu beulah wetan anu mundur Ari Si Lengser ? Lantaran nepak dina ajian Inyana mah hanteu kabawa mundur dina gawir Tapi Gujubar bae Ragrag ti gawir nu eukeur mundur ! Batu gede Nu nyuruntul di cai nu ngocor kenceng Geus parek jasa ka Si Lengser Reg ! Ceuk Si Lengser Batu the laju ngarandeg ! Laju ceuk Si Lengser : Ayeuna kieu ! Cicing sia didinya Pieun tetegr ka anak incu Jadi panuduh ka nu narineung Nu narineung ka Pajajaran ! Isukan barehing pageto Lebah dieu bakal jadi siru hiyang Engon sia nanggowan wayah Boga ngaran batu nunggul ! Engke Dina jaman Uga Uga Ngawaruga Sia mudu timbul deui ! Sabab anggeus wayah Bakal muka Panti ka gedong Rame masar di palabuhan !

Tunda ! Urang tangowan mukana panto Pieun nempo ka palabuhan Anu rame ku pasaran .... !

Tapi, Amun urang Sunda deuk sagala Nunda deui nunda bae Sagala gala Deuk ditanggowan bae Mantak Bangsa Sunda Cara batu paluncatan ... Beuki ngalelep beuki ngalelep Ditarincak ku sakur anu laluncat .... ! Bangsa Sunda mudu timbul deui ! Tapi lalakon urang Sunda panjang keneh ! Amun kabeh ditunda tunda deui Iraha atuh piangeuseunnaaaaaaaaa ? Ayeuna mah Anu panjang urang teukteuh Anu pondok urang congoan Anu heureut urang tileupkeun .... ! Beusi kaboro beurang ! Pamali ! Mantak kapuheulaan mantare Ku nini nini nundutan keneh Anu kiih kasalahan .... ! Baruk inyana meureun conggang Ari horeng Keuna sungut aki aki Nu keur kerek bari nyalangap ... ! Urang tuturkeun deui bae Si Lengser Anu leumpang deui panghareupna ! Sabab inyana mudu terus bae nyacar Nyaangan djalan nu masih keneh mudu disorang Ku urang Pajajaran jaman harita Ku urang Pajajaran jaman kiwari Ku sakabeh urang Pajajaran Nu tingsalindung di ngaran Sunda ! Leumpang Si Lengser maju ngidul Rada ngidul rada ngetan .... Nya engkena teh Anjog ka palabuhan anu lega Apluk aplukan lega jasa Ngan heureutan Manan tegal Si Awat awat Di lebahan anu upluk uplak Jeung legana satungtung deuleu Loba gunung eujeung pasir Loba leuweung jeung tegalan Saling saling seselangan .... ! Ceuk urang Pajajaran : Lengser ! Aki ! Bapa ! Urang the lebah mana ?

Asa rarasaan cara di urang ? Ceuk Si Lengser : Karuhan ! Taneuhna leuweungna jeung gunungna Jeung sakabeh anu kadeuleu Emang geh urang nu boga ! Ceuk urang Pajajaran : Ku naha atuh sejen rarasaan ? Ceuk Si Lengser : Sabab ieu taneuh Ieu teh taneuh warisan ! Urut baheula Sang Hiyang Ciung Wanara Jeung Sang Hariang Bangah Saling awaskeun ti kajauhan Memeh galungan di sirah Ci Kangsa ! Tah eta the sabab sababna Ieu taneuh disebutna taneuh Jampang ! Laju nanarindah deui Aya anjog engke the ka hiji curug ! Reg kabeh pada ngarandeg Lain ngarandeg deuk rareureuh Tapi lantaran Raja urang Ngadak ngadak ambek rosa .... ! Ceuk Raja bari ambek jeung popolotot Popolotot molototan Ka sakur nu kadeuleu ku mata Raja : Pieun nahaeun ngaing jadi Raja Ari hanteu boga Nagara mah ? Ngarah naeun ngaing leuleuweungan Leuwih hade Perang deui ..... ! Ceuk Si Lengser : Kapiran ! Anggur pikir sing lantip ! Naeun pibatieunana Amun perang ninggang di eleh deui ? Sabab perang Gusti Lain perang lantaran wani Tapi lantaran kajurung napsu Dipadaya ku amarah ... ! Ceuk Raja : Ngaing deuk mulang deui Mapag musuh nu nyarusul .... ! Sabab Amun Nagara teu direbut deui Moal deuk ku ngaing kabogaan deui ! Ceuk Si Lengser : Ulaaaaah Gusti ulah ! Balad urang kari sakieu ! Tapi musuh Balad arinyana tambah loba Sabab arinyana mah Lain bae perang make gobang Tapi bari ngawur ngawur duwit ejeung jangji Ngabengbat somah anu elodan .... !

Kiwari musuh teh Tiiiiiiiiiilok jaya musuh the Moal deuk buntu saumur umur ? Ceuk Raja : Eudeuk jaya eudeuk apes Ku maha ngaing beeee ...... ! Tapi Nagara mudu direbut deui ! Ceuk Si Lengser : Heu euh ngarti ngartiii .... ! Tapi dengekeun Meyong teh gagah najan galak Tapi najan gagah najan galak Tara maung deuk ngahaja Campurkeun pibaheulaeun nu inyana nyaho ! Tiiiilok eudeuk maung asup keuna gorogol Amun unyana nyaho keur ditaheunan ... ? Yeuh dengeukeun ! Najan dia nu jadi Raja Tapi hanteu muuuuuudu Balad urang anu ngan kari sakieu Sina pararaeh Dina melaan anu lain belaaneun deui ! Gusti dengekeun ! Memang dia nu jadi Raja Memang dia sagala wenang ! Tapi eta kawenangan Aya wate aya wayah ! Lain di wayah eukeur kiiiiieu Mudu dia sakarep karep Sapedah dia nu sagala wenang ! Balad urang the kari sakitu Tuh deuleu .... ! Kari sakitu ! Ulah dia nurutan peusing Bener sireum sahunjur lobana mangjuta juta Ku peusing sahiji Memang bisa ledis ! Tapi sing inget ! Kumaha awakna peusing Kumaha awakna sireum ? Sakumaha gedena peusing Sakumaha leutikna sireum ? Eujeung ulah poho Anu Nunggal Maha Agung Geus ngamudukeun Moal peusing hiji Eudeuk paeh ku sireum loba sajuta ! Gusti ! Nagara Pajajaran Tengah teh Ngaran Nagara urang di jaman baheula ! Ari legana mah Sakitu keneh sakitu keneh Ti darat datang jauh ka tengah sagara ! Tah eta kabeh teh Boga dia keneh dia baeeeeee ... ! Urang nyabrang ! Urang ngadegkeun deui dayeuh di nusa larang !

Pieun nanggowan wayah Asak samangka beulaheun lima .... ! Tunda ! Paralun Raja !

Lajeung batur ! Raja beuki ambek bae ! Lain ambek ka Si Lengser Lain ambek lantaran dipapatahan ! Tapi ambek beuki ambek Sabab nyeri tambah nyeri Mudu eleh sabab di hurup .... ! Amun musuh ngan sanagara mah Lain musuh anu dibantuwan tilu nagara Eleh geh Teu panasaaaaaaaran ... ! Parabu Agung Siliwangi Raja Sunda Inyana mundur kadesek .... ! Mudu eleh ? Eleeeeh .... ? Lain Parabu Agungna anu eleh Lain Raja Sunda anu eleh ! Tapi memang Bangsa Sunda anu mudu eleh Kadesek di Jaman harita Kadesek di Jaman kiwari Malah eleh Di jaman nu eukeur datang Kadesek kaelehkeun Salilana opat jaman Nu kabelna Opat kali jangkep 100 taun ..... ! Raja Pajajaran ambek jasa Keur ambek bari tetenjrag .... Datang taneuh salega jampang Mani eundeur cara keur lini ! Loba lebah anu urug Lain urug taneuh ti ruhur Tapi arurug patinggerebro Blangblong cararopong di jero taneuh Cara sumur di handapeun kulit taneuh pangluhurna ! Tah kitu sabab sababna datang ka kiwari Di tanah jampang loba lahan ngadak ngadak Cararopong euweuh nu ngali Jariga sumur euweuh dasarna ! Ceuk Raja : Mun Nagara geus karebut musuh Tapi ngaing teu ojah bae Lengser Pajajaran baris musna sagala galana ! Malahan engke di jaga Bakal dipararungkir urang dihurup ! Bari dipajarkeun Ceunah lain arinyana mararaksa Lain arinyana

Nitah ganti sinembah bari gobang di abar abar ! Tapi Pajajaran musna teh Lantaran ngalawan Sembaheun anyar bawa arinyana ! Lengser ! Saha anu jaga deuk jadi saksi ? Pieun mere nyaho saheu euhna Lain Pajajaran nu nangtang perang Lain mungpang boro bedegong Lain hanteu purun ganti Sinembaheun Lain ngalawan Sembaheun anyar ! Tapi sabenerna saheu euhna Pajajaran teh Manadeh keuna dipaksa ! Lain sembaheun anyar nu teu di aku Tapi Pajajaran teu sudi ganti Sembaheun ! Ari bari mudu jadi badega Ngagung ngagung nu ku urang mawa eta Sembaheun ! Lengser ! Amun ngaing mudu ngawaro sia Teu beda anging the siki Dipelak jero pirunan hurung ! Tilok eundeuk bisa jadi pepetetan ! Ceuk Lengser : Gustiiiii ... ! Lalakon urang geus digalurkeun Ditetepkeun ku Nu nyieun lalakon Lalakon jagat Pajajaran Lalakon alam Sunda Papantunan ! Urang Gusti anu ngalalakonna ! Lain urang Anu nyieun lalakon mah ! Anu nyieunna mah Tuh itu Nu di ditu ...... Nu Kawasa Sagala Wenang Nu Ngusikkeun Nu Malikeun Nu Nguripan Ngahirupkeun .... ! Mun ceuk Inyana mudu kieu Ceuk Inyana mudu kitu Saaaaha nu eudeuk bisa mungpang Jaya atawa apes .... ? Hanteu biiiiisa siki jero pirunan hurung Di buritna jadi pepetetan ? Gusti ! ( Curuk Si Lengser bari nunjuk ka ruhur ) Hanteu mudu bahan pieweuheun Ari gawe Inyana eundeuk dikitukeun mah ! Geura ! Kabeh cai ! Nameh jaradi walungan gede Bijil heula tina liang Di pagunungan anu jauh ti muharana ! Muharana Ngocorkeun keuna sagara ! Tetela cai anu ti gunung sakitu jauh Geuning bisa datang ka sagara jauh

Bisa tepung eujeung laut ! Tapi laut ? sagara ? Tiiiiilok eundeuk bisa nganjang Ka sirah cai walungan anu di gunung sakitu jauh ? Tapi amun anggeus datang keuna wayah Diusikeun ku Anu Nyieun lalakon Ngan saseblok Gusti Najan di daratan anu anggang Ruhur gunung anu jauh Saseblok Gusti ngan saseblok Ku sagara bisa kalimpas ..... ! Ceuk Raja bari neuleukeun curug : Heu euh ! Tapi nahaeun atuh gunana Di Nusa Larang naded dayeuh Tapi Nagara nga saribak ampok ampok ? Ari anu lelegana direbut musuh .... ! Amu Nagara lelegana jeung dayeuhna Geus karebut musuh Nagara Nagarana bakal leungit digaranti ! Leungit ngaran Nagara Oge leungit ngaran ngaing ... ! Ngaing deuk mulang deui Sorangan ! Ka sia Lengser Ngaing mihape Amun ngaing ninggang di apes Mudu jadi babatang di tegalan pangperangan Jaga ku sia sing ngaran Pajajaran Ulah bisa datang ka laas diusap jaman Ulah bisa lebur ngawun ngawun Ulah beunang ku angin dibawa leungit ! Ceuk Si Lengser : Urusan ngaran Pajajaran mah Ulah salempang ! Loba tukang mantun ieuh ! Tapi amun eudeuk perang sorangan bae Ulaaaah ...... Sabab kapiran ! Geura .... Tegaskeun atuh ! Tina dengdekna matapowe Tina baranangna bentang janari Tina handuru maung ngagaur parek ka isul Tina manuk dudutsora nyalatok Apanan geuning sakitu angeus tetela Urang the eukeur malang dina apes Mun ngalawan musuh meujeuh keur jaya ! Leungitan ngaran mah Ulah salempang, sabab Ngaran hade teh pamere batur Ngaran goreng mah rekaan musuh ! Ari ngaran Gusti mah Apanan SILIWANGI .... ! Lain wawangi anu kasilih ! Tapi Sili dina harti basa urang Basa urang Pajajaran ! Harti Sili di basa urang

Nya eta Langgeng ! Ari Wangi Mudu dihartikeun ku basa urang Ulah dihartikeun ku sejen basa Najan saruwa dina Sundana .... ! Sabab Wangi basa Pajajaran Hartina teh Kasucian anu Sajati ! Ulah salempang ! Ngaran Gusti moal leungit ! Sabab Najan dilebur ku nu harasud Moal ngaran Gusti baris leungit Moal musna ku supata Moal leungit ku panglarang ! Lantaran saban jaman Wangi deui Wangi deui Tina Pakujajar beukah kembang Eujeung baris tetep bae langgeng Diaweuhkeun ku celuk Pantun .... ! Tunda ! Pamujan Parakan Jati Sindang Barang, sebagai termpat peribadatan Jati Sunda dan Kadaton di luar Dayeuh Pakuan. Dalam Rajah Demung Kalagan ( Pantun Ki Kamal ) nama Sindang Barang sudah disebut sebut sebagai Mantra pembuka dan penutup. "Ulah Sindang Barang geusan tata pangkat diganti deui, sang pamunah sang darma jati, tanah lemah tutup bumi, tutup buana dat mulusna ..." "Jangan Sindang Barang sebagai tempat awal ( Agama Sunda ) diganti lagi, yang mensucikan sang darma jati, tanah tempat penaung dunia pengayom alam kesempurnaan ..." Rajah tersebut membuktikan bahwa Sindang Barang adalah tempat suci bahkan dianggap sebagai penaung dunia dan pengayom dari segala kesempurnaan, disebutkan pula Penata kesuciannya bernama Sang Darma Jati sesuai seperti yg terdapat dalam Pantun Gede Tunggul Kawung Bijil Sirung yg menyebutkan : "Babalayan Sanghyang Parakan Jati Mandala Suci Pamujan Kadatuan Sindang Barang, saluareun dayeuh Pakuan, saha tah anu ngeuyeukna ? Nya inyana Pandita Agung anu ngaran inyana Sang Kumara Jati tea, nya inyana oge anu ngabebenah Sanghyang Talaga Tampian Dalem salebakeunnana .." "Babalayan Sanghyang Parakan Jati Mandala Suci Pamujaan Kadatuan Sindang Barang sebelah luar ibukota Pakuan, siapa yang mengurusnya ? Dialah Pendeta Agung yang namanya Sang Kumara Jati, dia lah juga yang memperindah Sanghyang Talaga Tampian Dalem di sebelah bawahnya .." Dengan itu semua telah memperjelas bahwa Sindang Barang sebagai tempat Suci memiliki Balay Pamujan inti Sanghyang Parakan Jati dan Sanghyang Talaga Tampian Dalem dengan Pandita Agungnya Sang Kumara atau Darma Jati. Mandala Parakan Jati merupakan tempat peribadatan Jati Sunda wilayah Kadatuan luar dayeuh Pakuan, Kadatuan Sura Bima Sindang Barang.

Dalam Pantun Gede terdapat berita bahwa salah satu Raja Pajajaran bernama Parabu Rakean Heulang Dewata dipendem ( dimakamkan ) dekat Sanghyang Talaga Tampian Dalam ( parek ka Sanghyang Talaga Tampian Dalem ) Raja ini yang dikenal umum dengan nama Ratu Dewata Buana. Ratu Dewata Buana setelah 12 tahun dipendem jasadnya di bakar untuk disempurnakan seperti kebiasaan pada ajaran Jati Sunda. Di Kadatuan Sindang Barang juga Prabu Wisnu Brata memerintah Nagara Sunda yang berpusat di Pakuan "Sanghyang Saka Bumi", Parabu Wisnu Brata adalah yang membuat Pamujan di kaki Gunung Sanghyang Purwa ( Gede ) disana ia mendirikan Balay Pamunjungan Arca Domas di kaki Gunung Parangguh ( Pangrango ) dengan Brahmasta Pendeta Agung yang bernama Sang Jati Jatra. Pada akhir pemerintahannya Parabu Wisnu Brata menyerahkan Tahta Kerajaan kepada keponakannnya bernama Parabu Kalang Carita, Raja ini lalu kembali menempati pemerintahannya di Karaton Pakuan Pajajaran. Dengan banyaknya tempat penting itu Kampung Sindang Barang sarat dengan peninggalan peninggalan tradisi megalitiknya seperti yang banyak diketemukan saat ini, seperti batu batu dari bekas lokasi Pamujan pamujan dahulu. Sindang Barang sejak Pakuan Pajajaran mulai berdiri pada abad ke 7 oleh Tarusbawa sudah berfungsi sebagai Kabuyutan Jati Sunda, sebagai kelanjutan dari Kabuyutan Galunggung, Kabuyutan Arca Domas di Gunung Sanghyang Purwa ( Gede ), Kabuyutan Gunung Padang Cianjur, Kabuyutan Kuta Gogelang di Gunung Bunder dan Kebuyutan tua lainnya. Disamping itu sebelum Kabuyutan Mandala Kihara Hyang karya Siliwangi upacara upacara besar Agama Sunda Pajajaran seperti Tata Kinariyan, Tata Duriya, Bakti Astuta, Bakti Arakana, Guru Bumi, Kuwera Bakti dan termasuk upacara upacara kecil lainnya terpusat di Kabuyutan Mandala Parakan Jati, selain di Kapuunan kapuunan di luar lingkungan Kadaton. Di sini pula Putra Padmawati ( Kentring Manik Mayang Sunda ) memilih tinggal di Kadaton Sura Bima di Sindang Barang bukan di Pakuan demi lebih mendalami memantapkan keyakinannya kepada Agama Sunda, sebab Nenek Moyangnya berasal dari Nusa Bima bukan asli Pajajaran karena itu Kadatonnya oleh Ayahnya Parabu Panji Haliwungan ( Susuk Tunggal ) dinamai Sura Bima. Putra Parabu Panji Haliwungan ( Susuk Tunggal ) pun yaitu Parabu Guru Gantangan ( Surawisesa ) lahir dan dididik oleh Uwa nya Rakean Panji Wirajaya Sang Amuk Marugul di Kadaton Sura Bima. Nyanggakeun Pun Sapun, Paralun isun ....