Basa Sunda - Carita Pangalaman

4
CARITA PANGALAMAN disusun kangge nyumponan tugas pangajaran Basa Sunda kelas XI semester 2 Di susun ku: NIDA ULFAH K R. GHINA GANTIKA REGINA T AMARA SINDI FAUZIAH Kelas XI – IPA 8

description

Carita Pangalaman Basa Sunda

Transcript of Basa Sunda - Carita Pangalaman

CARITA PANGALAMAN

disusun kangge nyumponan tugas pangajaran Basa Sunda kelas XI semester 2

Di susun ku:

NIDA ULFAH K

R. GHINA GANTIKA

REGINA TAMARA

SINDI FAUZIAH

Kelas XI IPA 8

SMA Negeri 8 Bandung

2012

KA GUNUNG TANGKUBAN PARAHU

Dina kaping 28 Maret 2012, abdi sareng rerencangan ti kelas XI SMA Negeri 8 Bandung anu heunteu ngiring Karyawisata ka Bali, ngunjungan obyek wisata anu parantos kasohor di Jawa Barat utamina di kota Bandung nyaeta Gunung Tangkuban Parahu.Tangkuban Parahu atawa Gunung Tangkuban Parahu ieu jarakna kirang langkung 30 km ti kalereun Kota Bandung, tempat nu sae ieu ayana di daerah Lembang. Gunung Tangkuban Parahu luhurna 2.084 meter. Gunung ieu janten salah sahiji daerah tujuan wisata anu kakoncara di Jawa Barat. Lingkungan alamna nu sejuk, sareng aya sumber cai panasna. Deretan kawah anu manjang, matak di jarugjugan.Tangkuban Parahu saleresna teh gunung berapi anu dugi kaayeuna masih aktif.

Kangge dugi ka lokasi, abdi saparakanca tumpak mobil elf anu tiketnya Rp. 2.500,- kumargi jarak ti handap dugi ka luhur kawah peryogi waktos kirang langkung 10 menit. Upami parantos dugi ka wilayah lereng gunung, urang tiasa ningali pemandangan anu endah. Sajajalan urang heunteu mung tiasa ningalian pamandangan alam anu endah, kusabab lereng gunung sareng kebon teh nu aya matak seger kana soca.

Tangkuban Parahu ayana di perbatasan Kabupaten Bandung sareng Kabupaten Subang, Jawa Barat. Bagian kidul daerah ieu mangrupi wilayah kecamatan Lembang, Kabupaten Bandung, samentawis bagian kalerna lebet ka wilayah Kecamatan Segalaberang, Kabupaten Subang.

Nurutkeun Legenda gunung Tangkuban Parahu, dinamikeun Tangkuban Parahu kusabab ditingali ti katebihan, gunung ieu jiga parahu anu tibalik. Gunung ieu sok dipakaitkeun sareng legenda anu kasohor di Jawa Barat, nyaeta legenda Sangkuriang. Legenda ieu ngadongengkeun hiji putrid geulis anu namina Dayang Sumbi. Kumargi dikutuk ku dewata anjeunna kedah nikah ka anjing anu namina Tumang. Ti dinya lahir putra ti Dayang Sumbi sareng Tumang anu dipasihan nami Sangkuriang. Jajaka kasep ieu hirupna papisah sareng ibuna. Dina hiji waktu Dayang Sumbi papanggih sareng Sangkuriang, teras Sangkuriang bogoheun ka Dayang Sumbi. Kusabab anjeunna terangeun yen jajaka kasep eta the putra anjeunna, Dayang Sumbi ngagagalkeun usaha Sangkuriang anu nyanggeman tiasa ngabangun Parahu raksasa dina sawengi. Sarat itu ditarima ku Sangkuriang, sabab anjeunna yakin ku kasaktiannana.

Namung para dewa heunteu ngawidian nikahna ibu sareng putra tegesna ieu, matakna para dewa ngagagalkeun usaha Sangkuriang. Nepi ka tereh subuh parahu teu acan beres oge. Kusabab ku keuheul, Sangkuriang teras najong Parahuna anu tereh janten dugi ka nangkuban. Parahu ieu anu teras rubah wujudna janten gunung anu kasohor namina ku Tangkuban Parahu.

Di daerah taman wisata ieu aya 10 kawah, di antawisna: kawah Ratu, kawah Upas, Kawah Batu, Kawah Domas, sareng Kawah Jurig. Kawah-kawah ieu asalna tina gunung Tangkuban Parahu anu bitu dina tahun 1829, 1846, 1887, 1910, 1926, dan 1929. Dina tahun 1829-1969, gunung Tangkuban Parahu anu sifatna strato ieu parantos bitu dugi ka 18 kali.

Kawah Ratu bentukna mangrupa mangkok raksasa anu ageung sareng jero, mangrupakeun kawah anu paling ageung di gunung ieu. Lokasina pagigir-gigir sareng kawah Upas. Kawah Upas bentukna deet sareng rata dina palebah handapna. Kulantaran eta seueur tatangkalan liar di salah sahiji sisi handap kawah. Upami kawah Domas bentukna mangrupa tempat legok anu ngaluarkeun sumber cai panas. Biasana sumber cai panas eta sok dianggo ku pangunjung kanggo ngawasuh awak.

Di daerah biwir Kawah Ratu sareng Kawah Upas seueur kios kadaharan, inuman, sarta pasakan khas Lembang nyaeta ketan bakar. Diditu oge disadiakeun kuda kanggo disewakeun ka para pangunjung kangge jalan-jalan di sabudereun Gunung Tangkuban Parahu, sareng ulah hilap upami angkat ka Tangkuban Parahu kedah ngangge anggoan acuk haneut kumargi cuaca diditu tariris.