Sajak Bahasa Sunda
-
Upload
riuh-ardana -
Category
Documents
-
view
226 -
download
15
description
Transcript of Sajak Bahasa Sunda
Sajak Bahasa Sunda
Januari 11, 2008 — awan sundiawan
Katresna anu pernah Katunda
junjunan…upami salira ngintun wartos .. sok aya.. peraosan nu nambih…nambih nyaah.. nambih sono.. nambih mikatresna..duh panutan hateiraha tiasa patepang..tiasa nyarios..seueur..tiasa silih pihapekeun rasa anu tos lami teu dugi..
-oOo-
duh.. junjunan…ieu hate moal kamana-manamoal bakal nyapirakeun..kana katresna anu kantos dititipkeun ku salira ..jungjunan…rasa sono …rasa yaah …katrensna anu beuki dieu beuki tamplok kasalira..moal aya tandinganna..moal aya babandingannana..ningali salira nu tos lami teu katingal dedeganana..nu tos lami teu karaos asihna..nu tos lami diimpen-impen…disapirakeun ..dikantunkeun..duh..jungjunan hate....punten..tos lami ieu hate teu ngartos kana kaayaan ati salira....ahh..moal ningali kapengker..nu penting mah ayeuna..geter hate teh ngan ukur kanggo salira..kasono teh.. bet moal aya bandingannana..bungah.. endah.... dugi ka ngeclak cipanon bakating ku bungah sareng sonona….
ka salira
katresna ka salira moal liren dugi kairaha oge..dugi kamana oge.. dituturkeun..sanaos teu ditungtun..
Sebuah rasa yang sudah lama tersimpan kini terungkap kembali…..Begitu indah sebuah rasa cinta yang sejati
———-=———–=—–=
Kanggo Salira
jungjunanwengi ieu karaos pisan sonona..beuki lami..beuki dieu..unggal usikunggal malik..duh..geuningan rindat salira nu karaos....aya anu gumuruh dina lebet dada ..tos lami teu kedal..mung ukur dibuni-buni..disimpen dinu pangnyingkurna..geuning ayeuna....kuring bagja pisananu karaos teh endah..duh..iraha atuh tepang..iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..ngaraoskeun seungitna cinta ti salira..ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..ngaraos bungahna..basa gugah teh geuning aya salirabari neutuep geugeut..sono..deudeuh.. nyaah..tresna..kasono teh ngan ukur kagungan salira...salam sono sareng katresna..
-0-0-0-0-0-
Katresna Kanggo Salira
jungjunan…kacintakatresnakadeudeuhkanyaahkasonokahemanka salira…beuki…. muka….
lawang katresna ka salira… beuki mukapanto ka sono kasalira beuki… molongojandela ka kanyaah beuki muka
0-0-0-0-0-
Dina Impenan
Jungjunan…unggal dinten ..nu diantosan wartos saliranu diimpen mung salirasanaos tara nyarios dina impenan..mung ukur gumujeng bari ningalikeun..deudeuh pisan..duh..jungjunan..tapi geuningan nyata..salira geuning nyaah pisan..deudeuh pisan..tresna pisan..
ah..kuring bade teras gugah..bade nguping wartos ti salirabade merhatoskeun salira..bade nyiar impenan anu katunda....duh..pamugi leres..ieu teh bakal wujud..masing teu terang iraha waktosna..iraha jantenaduka atuh..meni hese....kabungah teh geuning aya hahalangna....
0-0-0-0
Dinten Kemis
Dinten Kemisnyaharita urang ngawitan petepangteu nyana sami-sami ngemutan
Dinten Kemisgeuning katresna mekar na ati
teu walakayan kasiksa diriantukna silih kedalkeun eusi ati
Kota katresna jadi saksi urang duaan silih kedalkeun katresnaKota kaasih jadi saksi urang duaan silih tamplokeun ka sono
Dinten KemisUrang duaan silih pikanyaan
Sajak Sunda Sajam Saacan Yogya: Ela Dahlia
Sajam deui nepi ka Yogya, bet kakeueungDumadak midang na saban gerbong
Kuring inget ka anjeunBasa masinis nanyakeun karcisBasa aya tukang jajaluk namprakeun leungeunJeung nu ngamen teu eureun-eureunNgawihkeun tresno karo koe
Sajam deui nepi ka YogyaNu kasawang mangrupa ringkang pinareup anjeunKawas iklan dina Koran, atawa demonstrasiMahasiswa nu pageduk jeung pulisiBasa harga nyemprung ngapung ka alak paulKa lebah langit nu nangtawingKusabab sieun BBM naek peuting ayeuna
Teu karasa, keclak cimataNgaminyak damar na congo atiNgahurungkeun saban harepanTina obor ruruhit wanci
Peuting ieu urang geus sapukRek ngedalkeun rusiah cintaNajan ranjang kari bantalnaNajan pake kari simpaynaSok sanajan sajak ringrang Henteu weleh mere wirahmaImpian jaga:Nyiar bakti nya ka gustiNyieun bukti jang ka diri
Sajam deui, saacan Yogya nawarkeun pasarBeringharjo atawa jalan MalioboroGeus kaangseu parfum anjeunGeus karasa keueut galentor ciuman anjeunMapag kuring di statsion Lempuyangan
Bari imut ngais kakangenBarudak urang
24 Mei 2008
TUKEURAN IEU SAJAKTukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulayHeug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuayPating golepak dina trotoarTukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucakHeug sidkahkeun kanu haropakAnu marangkuk di saung atawa di kolong sasakTukeuran ieu sajakKu sababaraha siki pelorHeug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulatorSina enya kalojorTukeuran ieu sajakKu beubeutian tina kalbu anu ridoKeur nyebor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)(Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)
WASIAT KONGLOMERATLamun Apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boehladang ngeleketektina rupa-rupa proyekLamun Apih nemahan patipangmesenkeun padung jatiladang ngumpulkeun komisijeung rupa-rupa korupsiKontrak-kontrak nucan ditekenJeung SPK-SPK nu can dilaksanakeunawurkeun luhureun paesanna tetengger heug tulisanparantos mulang ka kalanggenganApih, konglomerat tuladan
(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)
PANGBALIKANIuh, iuh gunung kuringangin ulin dina embun-embunansawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cintadi maranehna nya ayanaAya sababna kuring tibelataya sababna kuring pegattapi nu ahir lain kaabadiankakasih dina hate ngawih deuiIuh,iuh gunung kuringnyata, nyata tanda-tandangabalungbung jalan hirupnepi ka nyawa rek asupka maranehna kuring rek balikka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)
LEUWI
sora nu tinggerendengteu weleh sahengdi leuwi ainglaut nu tan istirahteu weleh motahdi leuwi aingdi leuwi aingsagala teu weleh betahsagala teu weleh motah
(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)
LALAKON I
Mangsa budak resep ulinngarucu bulanmangsa rumaja resep wanojangumbar asmaranincak sawawa narik jangkarngambah sagarageus kolot mah kari tapakurisuk sore ngitungumur!
(Hadi AKS, Tina Galura No.39)
LAGU HIRUP
Unggal poe unggal lengkahnataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arepari umur melesat henteu kajeueungDina beja dina caritateu weleh aya nu miheulaanwarna-warni kajadian. Teu kapirengda puguh katalimbeng rusiahDina sakeclak cimata. Aya kasedihnu teu kedal. Dina kongkolakkahirupan. Aya nu miangteu mulang deui
(Eddy D. Iskandar, 1992)
BONGAN KITU
Bongan kitu disebutna, puguh megadipapay di awang-awang: cek aing anginbongan kitu karasana, nyerina raheuttatamba ka saban tabib: cek aing ngimpibongan kitu digambarna, geulis kabina-binaditepungan unggal wayah: cek aing werejitbongan kitu pandena, nyarita soranganditataan di rs jiwa: cek aing elingbongan kitu ayana, beda jeung nu liandiguliksek dina kamus: cek aing ibadahbongan kitu itunganana: Gusti
(Juniarso Ridwan, 1992)
PADUNGDUNG DANGDUT
“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkanangin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusulmanuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengongangin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowoknyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluykabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!”cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tinasela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beukisoak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeuncahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sartateu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuhpeureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebelaPeureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nupatonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getihpeureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.
(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)
I
Gerem
Sanajan dibekemMasih bisa ngagerem
Gerem leuwih rosaBatan heurasna carita
Sanajan ditemprangditengkaskuda-kuda istiqomahnancebdipaseuk alif mim kalimah syahadahnu dijiadkeun kana embun-embunanmangsa waruga, anyarpinanggih jeung alam pawayangan
kakawasaan bisa nandasa ragangakaya jiwatapi mo bisa ngagunasika pikiran mardika:rohna ngalalana, nyusupkeungeter –geter sungapan kamanusaankanaunggal sungsumunggal renghapan
hiji ditandasamangyuta gantiantringeupeul peureup nembang durmanyingraykeun kapetengan
II
Sataun Jeprut
Sora bedil lodong nu ngabeledag neumbag jajantungmuncratkeundaki-daki kalaipanngabudahkeun cimata mendetngabanjiran diri
tilelep — laputka tungtung buuk
aleu-aleu sora walilatkawas ngaléléwé:
unggal lebarancimata deuicimata deui
ti lebaran ka lebarannyolédat deuinyolédat deui
kertas kapitrahannu diilo dibulak-balik salila iedbelewuk pinuh kokotor
lapar puasaditambah ibadah (nu belang betong)teu ngabualhutang dosa sataun jeput
sataun deuijeprut!
III
Sajak Bangkarak
Sajak pondok - Sajak nyogokSajak panjang- Sajak nyugakMun teu nyogok - Mun teu nyugakSajak ukur bangkarak
IV
Rumasa
Naon hartina kulaNyusun kalimah taya kabisapadahal Alloh, nyiptadunya katut eusinaukur ngucap:kun fayakun
V
Era
Neangan diri soranganpatepungjeung lalampahanluar leorteu uyahan
VI
Lus Les
roh nu ditiupkeunkana raga nu pinasti mapagkeun patikawas kalangkang wayangdina layar belewukkatebak anginlus leslus les
VII
Ulang Taun
Poe ngagilindingnyipuh buuk pulas kulawumeotan kulit - ngaregas tulang
VIII
Huis
Basa ukur hiji duasok pareng dicabutanBasa beuki ngalobaanUmur teu bisa dibohongan
IX
Poho
parismaragatkeun kasadaran:poe teh, kawaslaut tanpa tungtungtempat pamayang balayar tanpa tujuanpoho ka pangbalikan
X
Alhamdulillah - alhamdulillah?
rambut ditutup rapetku jilbabacuk nyitakbujal ngajorelat - aya nu ngajepatalhamdulillahalhamdulillah?
XI
Boa - Boa
Kuhoyong sajadahjanten “alketip ngapung”jajap warugadeuheus Saliraka Sidratul Muntaha
Raga madep Kabah - Baetullah
Kalimah takbir di ucapbabacaan dilenyepanmaca ayat ditarikkeun - ditutup ku aweh salamtapi,emutanangger ngalalanakamamana-kamamana
Gusti,Rakaat demi rakaatnu diadegkeunto’at dawuh Isro Mirajboa - boangan saukur, dianggapolah ragaku Saliraboa-boaboa-boa
XII
CIKARACAK
Cikaracak ngarakacakleuweung dibukbakhuluwotan ngoletrakcaina teu ngeclak
kampung burakrahayat ngoceakpara kglomerat: curak-curaksila andekak
Naha kudu nungguan rahayat barontaklamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:kudu aya tangkurak dekokdibeletak batu cikaracaknu lawas teu manggihtiisna keclak cai :cikaracak
Lamun rahayat ngoceakCikaracak ngarakacakpamingpin milu andekaknaha urang ge cukup calawak