Makalah masakan sunda

19
MAKALAH MASAKAN SUNDA JEUNG HASILNA disusun oleh : Nadia Azahra Kelas XI JB 1 SMK NEGERI 9 Bandung

Transcript of Makalah masakan sunda

Page 1: Makalah masakan sunda

MAKALAH

MASAKAN SUNDAJEUNG HASILNA

disusun oleh :

Nadia AzahraKelas XI JB 1

SMK NEGERI 9 Bandung Jl. Soekarno Hatta Km.10 Bandung

Page 2: Makalah masakan sunda

PANGJAJAP

Assalamualaikumwr.wb.

Langkung tipayun urang munajat ka Allah swt. ngucapken sukur Alhamdulilah kusabab gusti Allah parantos maparinan nikmat anu seueur ngajungjurung urang dina kalayaan sehat walafiat.

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan tina ngarengsekeun ieu Makalah anu dijudulan “Masakan Sunda Jeung Hasilna” enggoning pikeun ngalaksanakeun tugas Bahasa Sunda anu kalebet Mata Pelajaran kelompok Muatan Lokal.

Pamungkas, mugia makalah aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu makalah téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu makalah pohara dianti-atina. Dina deuget ieu simkuring hapunteun, mugi jembar kana samudaya kalepatan sareng kaluputan.

Wabillahi Taufik Wal Hidayah Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Mugi Alloh SWT ngaridoan sagala usaha urang. Aamiiin.

Bandung, Desember 2016Panyusun

i

Page 3: Makalah masakan sunda

DAPTAR EUSI

HALAMAN JUDULPANGJAJAP........................................................................................................ iDAFTAR EUSI.................................................................................................... ii

BAB I PENDAHULUAN................................................................................….A.     Kasang Tukang......................................................................................….B.      Tujuan ……………………………………………………….. C.      Watesan Masalah ………………………………………………..........….

BAB II Eusi .......................................................................................................…A.     Masakan Sunda......................................................................................…B.     Asakan Sunda Pakuat Pakaitna Jeung Gizi…………………………….. C.     Hasil Tinu Asakan Sunda …………………………………………......    

BAB III PENUTUP ...........................................................................................A.     Kecindekan............................................................................................B.      Saran ……………………………………………….............................

111

2223

999

REFERENSI

ii

Page 4: Makalah masakan sunda

BAB 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Masyarakat indonésia mangrupa hiji masyarakat majemuk anu ngabogaan keanekaragaman di jero sagala rupa aspék kahirupan. Bukti nyata ayana kemajemukan di jero masarakat urang kasampak dina rupa-rupana kabudayaan di Indonésia. Minangka salah sahiji suku bangsa di Indonésia, suku Sunda ngabogaan kharakteristik anu ngabédakeun manéhna kalawan suku séjén dina kadaharan masakanna.

Masakan khas jawa barat zaman baheula nyatana miboga rasa lada nu kuat. Kulantaran tiap-tiap asakan sayur atawa daging olahan, sababaraha kokolot zaman baheula boga kabiasaan make cabe atawa cengek jang bumbu. Lamun teu ngagunakeun bumbu lada, pastina aya sambel nu disajikan babareungan jeung lalaban fresh.

Ciri khas lain asakan Sunda nyaeta kreatif ngamangfaatkan bahan dasar anu jang kalolobaan jalma dianggap teu mangfaat. Misal tumis genjer anu bahan dasarna dicokot tina tutuwuhan gulma antara sela tangkal pare, sayur kadedemes atawa kulit sampeu nu sering dianggap racun, goreng impun garing nu dijieun tinu lauk-lauk leutik nu hirup liar ti selokan cai ngalir, atawa tutut, hama keong nu hirup ti sawah.

Di masakan cumi hideung, warna hideungna asal tinu tinta cumi nu ngahaja teu dipiceun. Oge sambel goreng ati sapi atawa asakan bahan jeroan sapi jeung hayam. Ciri khas asakan Sunda mangrupakan wujud kakayaan budaya anu perlu dilestarikan. Malah sakuduna dilindungi jeung diperlakukan sakumaha banda cagar budaya.

B. Tujuan

    Tujuan dijieunnna ieu makalah teh nyaeta:

1. Pikeun mikawanoh Masakan/Asakan Sunda

2. Nganyahokeun unsur-unsur nu aya dina Asakan Sunda

3. Pikeun nganyahokeun kumaha cara resepna Masakan Khas Sunda.

C. Watesan Masalah

Watesan masalah ieu dilakukeun supaya panalungtikan bisa luyu jeung tujuan anu di harepkeun. Watesan masalahna nyaeta: sakabeh anu ngenaan kana masakan khas sunda

1

Page 5: Makalah masakan sunda

BAB 2 EUSI

A. Masakan sunda

Masakan Sunda nyaeta masakan ti masyarakat Sunda anu aya di wewengkon Jawa Barat, Indonesia. Nyaeta salah sahiji kadaharan anu paling populer mibanda ajen inajen gizi pinunjul pisan pikeun kasehatan katut kabugaran sarta ningkatkeun apresiasi selera masyarakat kana kadaharan tradisional.

Makanan Sunda ngaboga ciri kebugaran bahan-bahanna, “Lalab jeung Sambelna”, mangrupakeun budaya jeung kahidupan masyarakat di kawasan Pasundan, anu mibanda sejarah jeung perjalanan panjang ti nenek moyang atawa karuhun Sunda baheula. Perkara sayur mayur (Lalab) anu bisa didahar tea miboga fungsi keur ubar salain eta mibanda khasiat teh oge (lolobana) beung (aos:nikmat) didahar tea.

Tinu khazanah kuliner Parahyangan Resep Masakan Sunda Sederhana nyaeta mangrupa sambel, sambel bisa ngahasilkeun sababaraha puluh jinis. Sambel dadakan salah sahijina nyaeta sambel combrang, sambel tarasi, sambel cibiuk, sambel bajak, sambel kacang, sarta sambel hejo.

Beda jeung masakan minangkabau nu beunghar ku rasa jeung lada dibareungan kandungan bumbu kari jeung santan anu kenteul, masakan Sunda nampilkeun citarasa anu hampang, sederhana, jeung jelas; antara gurih asin, asam segeur, amis ringan, jeung lada.

Sambel tarasi nyaeta bumbu penyerta nu paling lazim tina jero hidangan Sunda, didahar jeung lalab atawa tahu jeung tempe goreng. Sayur asem jeung kuah bumbu asam jawa mangrupa sayur anu paling populer tinu hidangan Sunda. Jenis sayuran populer sejenna nyaeta Soto Bandung, sajenis soto jeung irisan daging sapi jeung lobak, sarta mie kocok, sajenis mi jeung daging sapi jeung kikil.

B. Asakan Sunda Pakuat Pakaitna jeung Gizi

Hasil tina saruntuyan panalungtikan anu dilampahkeun ku sababara lembaga umumna masakan Sunda miboga ajen/kandungan gizi enggoning pikeun nyegah panyakit ditilik tina sagala aspek jeung nutrisi (jang kabugaran) anu punjul, nyaeta :

1. Karbohidrat (asal tutuwuhan, utama biji-bijian jeung umbi-umbian)2. Lemak jeung protein (asal lauk , hewan ternak jeung biji-bijian)3. Mineral jeung vitamin (asal tutuwuhan, terutama sayuran jeung lalab)

Sepertos oge jinis makanan lianna anu umum aya di Indonesia, kabiasaan nambahkeun bumbu/penyedap alami asal tutuwuhan anu miboga fungsi nyaeta :

1. Paningkat nilai organoleptik (rasa jeung aroma) asakan2. Paningkat warna jeung tampilan kadaharan3. Pangawet supaya asakan bisa disimpen lila bari teu ngarusak jeung

nurunkeun kualitas.

2

Page 6: Makalah masakan sunda

diantarana nyaeta : jahe, kencur, kunir, lengkuas, pandan, cabe, bawang, pedes, asam jeung sajabana.

Kacatet paling saeutikna aya 80-jinis makanan Sunda, umuma dijieuen tina :1. Biji-bijian2. Buah-buahan3. Umbi-umbian4. Daun/pucuk tanaman5. Kulit batang6. Tepung7. Tanaman secara keseluruhan8. Ikan9. Daging10. Telur

Tinu sajumlah eta seeutikna sakitar 10 jinis nu mibanda nilai bisnis luhur, sae pisan kanggo komoditi perdagangan lokal/satempat atawa kanggo komoditi ekspor.

Asinan Bandrek Cendol Cobek Dodol Kecap Lotek Opak

Pais Peuyeum ketan Pindang Rangginang Surundeng Tarasi Tempe Wajit Oncom

LALAB JEUNG SAMBEL

Sajumlah jinis tutuwuhan lalab anu rengse kacatat, awal aya sakitar 70 jinis (tahun 1986), terus ningkat jadi 94 jinis (tahun 1993) jeung sakitar 200 jinis (tahun 2000).

Kaungkap salajengna nyata kandungan gizi/nutrisi di jero tatangkalan lalab-lalaban bisa jadi obat mujarab kanggo sagala panyakit anu matak ngabahayakeun dina mangsa kiwari, diantarana :

1. Panyakit DM (diabetes mellitus)/kencing manis2. Panyakit tekanan darah tinggi3. Panyakit jantung4. Panyakit ginjal5. Panyakit syaraf6. Panyakit rheumatik7. Memperbaiki sistem syaraf8. Menstabilkan vitalitas tubuh9. Meningkatkan gairah seksual,dan sebagainya

Sababaraha jinis tutuwuhan lalab anu umumna, diantarana

Bentuk herbal1. Antanan besar2. Antanan kecil3. Kencur

3

Page 7: Makalah masakan sunda

4. Eceng5. Genjer6. Jombang/tempuyung7. Jotang8. Jonge9. Karesmen10. Katepeng11. Leunca12. Pohpohan13. Kenikir/Randa midang14. Seladah air15. Seladah bokor16. Sasawi17. Sintrong18. Surawung19. Terong bulat20. Terong engkol21. Terong besar22. Tespong23. Tomat

Bentuk perambat1. Jaat2. Kahitutan3. Kacang panjang4. Mentimun5. Paria6. Paria belut7. Roay peda8. Roay hejo9. Labu siem10. Labu besar

Bentuk pohon/perdu1. Baluntas2. Bunut3. Mangga4. Calincing5. Cangkudu6. Gandaria7. Gedang8. Hiris9. Honje10. Imba (kedongdong-cina)11. Jambu bol12. Jambu mete13. Jengkol14. Katuk15. Katepeng

4

Page 8: Makalah masakan sunda

16. Kastuba17. Kihapit18. Kosambi19. Koang20. Lampenas21. Mamangkokan

Hal anu matak ngabanggakeun nyaeta umumna bahan baku pasakan Sunda biasana ngawengku kana program “4 sehat 5 sempurna” tina sumber karbohidrat tinggi (biji-bijian, umbi-umbian jeung sajabana), sumber protein tinggi (ikan, biji-bijian jeung daging), sumber vitamin jeung mineral tinggi (sepertos sayuran jeung lalab) jeung saderet bahan nu kiwari loba dipikahareup kahadiranna kanggo kasehatan jeung kabugaran, sapertos diantarana Omega-3 (tinu lauk), anti-oksidan (tinu buah-buahan), anti-kanker dan HIV-AIDS (tinu sayuran jeung jamur) nepi jang paningkat gairah seksual oge aya (tinu lalab-lalaban) jeung sajabana.

Publikasi nepi ka mancanagara nyaeta perkara tempe (najan produk ieu sanes wae milik/asal ti wewengkon kahirupan Urang Sunda hungkul, tapi umum jang sakabeh suku bangsa di pulau Jawa), nyaeta kabuktian hasil tina biji kedele nu dianalisa ku pakar ahli pangan ti mancanagara jeung domestik, Eta senyawa khasiat anu asalna di jerona ngandung sakitar 5 macam, nyaeta : Protein, Lemak, Karbohidrat, Mineral jeung Vitamin. namung satutasna diproses jadi tempe senyawa manfaat anu aya di jerona ari heug teh jadi ngandung sakitar 9 macam, umumna miboga khasiat jang ubar, saperti : Protein, asam amino, mineral, vitamin, lesitin, antibiotika, antivirus, anti-oksidan, zat pengatur tumbuh, jeung sajabana. Jaba lamun tempe rutin dikonsumsi, maka nu ngadaharna bakal kasinglar tina kamungkinan katarajang panyakit bahaya kiwari, saperti jantung koroner, infeksi bakteri/virus, jeung sajabana.

C. Hasil Tinu Asakan Sunda

Hasil Tinu olahan Asakan Sunda diantawisna nyaeta :

1. Hayam Bakakak

Hayam anu dibakar di luhur suluh, satutasna dibersihan jeung diberi bumbu khusus. Biasana juru masak make bilah bambu nu dicapit kana badan ayam supaya gampang dibolak-balik salama proses ngabakarna. Biasana dihidangkan tina acara nikahan jeung sunatan.

Bahan :

1 ekor hayam kampung (nu masih ngora keneh), belah dadana tong sampe putus

800 ml air 4 siung bawang putih haluskeun (bahan perendam ayam) 2 sendok teh garam (bahan perendam ayam) 3 cm kunyit haluskan (bahan perendam ayam) minyak untuk menumis

5

Page 9: Makalah masakan sunda

Bumbu anu dihaluskan :

8 butir bawang merah 4 butir kemiri sangrai 8 buah cabai merah keriting 4 cm jahe 1 sendok makan garam 3 sendok makan gula merah, iris iris 1 sendok teh ketumbar 6 siung bawang putih

Cara nyieun bakakak hayam :1. Mimitina rendeum heula hayam dina jero bahan perendeum, nyaeta cai 800 ml,

bawang putih anu dihaluskeun, uyah jeung kunyit anu dihaluskeun. Antepkeun salami 30 menit hingga meresap.

2. Seberesna 30 menit, tuluy tumis bumbu nu dihaluskeun, leubetkeun daging hayam jeung cai rendamanana, aduk rata.

3. Masak hingga daging hayam menjadi hipu dan kuah habis, jikalau daging ayam masih belum empuk saat kuahnya habis, bunda dapat tambahkan air panas secukupnya.

4. Saberesna daging hayam hipu, bakar hayam diluhur bara seuneu bari dioles make sesa bumbu, sampe warnana kacokelatan.

5. Penyajian bakakak hayami ieu bisa jeng sangu bodas, tarasi jeung oge lalapan.

2. Ulukutek Leunca

Salah sahiji ciri khas makanan sunda nyaeta beunghar ku variasi sayuran atah (lalapan), sehingga paling narik tinu segi tampilan jeung cita rasa. Salah sahiji komponen lalapan anu paling populer nyaeta leunca.

Rasa leunca anu khas, akan sangat nikmat lamun disantap babareungan jeung sangu haneut, lauk asin peda goreng, jeung sambel tarasi.

Cara nyieunna:kahiji tumis hela bumbu halus bareng jeng lengkuas jeng daun salam sampe seungit. Terus, tambahkeun cabe rawit, aduk sampe layu. Setutasna eta lebetkeun kemangi, oncom jeung leunca, aduk sampe rata jeung lamun perlu tambahkeun cai saeutik. Pasak sampe oncomna rada garing jeng buah leunca layu. Terus tambahkan uyah jeng penyedap, icip icip, aduk rata. Angkat we, sajikeun jeung sangu haneut!

Eta leunca, lian ti matak rewog, ning edun oge kandungan nutrisina.

6

Page 10: Makalah masakan sunda

3. Nasi Tutug Oncom

nasi-tutug-oncom

Nasi tutug oncom mangrupa asakan khas ti wewengkon sunda, tepatna ti wilayah tasikmalaya. Nasi tutug oncom nyaeta mangrupakeun sangu nu di campur oncom jeung di goreng atawa di bakar. Seperti ngaranna proses campuran sangu ku cara ditumbuk mangka dikenal namina nasi tutug.

4. Lotek

Kadaharan Lotek ieu mirip jeung pecel, nyaeta sajenis asakan tinu sababarah sayuran nu geus direbus terus dibanjur ku sambel tinu bumbu kacang. Nu ngajadikeun kaunikanna tinu asakan ieu yaitu bahan jeung sambelna di samping kacang aya oge ditambahan tempe jeung jero bumbuna ditambahkan tarasi, gula bereum, jeung bawang bodas. Kadaharan Lotek ieu tiasa disajikan jeung lontong atawa bisa oge jeung sangu haneut, ditoping make kurupuk jeung diawuran bawang goreng.

5. Sambel

Mangrupakeun deungeun/réncang sangu tradisional masarakat Malayu (kayaning di Indonesia, Malayasia, Singapura) dina wujud kawas saos anu eusina salawasna maké cengek atawa cabe, mangkana rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara nyieunna, nyaéta ku jalan diréndos dina coet, maké mutu. Gumantung kana bahan jeung cara nyieunna, nya sambel téh aya sababaraha rupa.

Di masarakat Sunda, aya sababaraha rupa sambel, di antarana, Sambel goang, Sambel tarasi, Sambel oncom, Sambel Jahe, Sambel kecap, Sambel muncang, Sambel kacang, Sambel picung, Sambel goreng, Sambel tomat, jeng sajabana.

nasi & lalap sambel

7

Page 11: Makalah masakan sunda

6. Karedok

Masakan khas lokal, karedok nunjukkeun keresepna urang Sunda kana sayuran atah segeur. Kadaharan karedok ieu dijieun tinu bahan-bahan diantarana nyaeta katimun, tauge, kol, kacang panjang, daun kemangi, oge terong. Sedangkeun jang bahan sausna nyaeta tinu bahan cabe beureum, bawang bodas, kencur, kacang tanah, cai asam, gula jawa, uyah, jeung tarasi.

7. Surabi

Nyaéta olahan tina tipung beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun ngagunakeun maké suluh.  Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom. Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun. Aya ogé anu dicampur jeung gula beureum make  cipati (santen). Samalah kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jeng nu sejena, ti éta, sok sanajan, cara nyieunna mah sarua baé.

8. Tumis Kangkung

9. Gepuk

Hasil asakan tradisional asli khas Jawa Barat sejenna nyaeta :

Soto Bandung, Batagor, Bakso Kocok, Serabi, Combro, Misro, Serabi Oncom, Peuyeum, Cireng, Combro, Gepuk, Ambokueh, Colenak, Bala-bala, Bandrek, Bajigur, Tahu Sumedang, Dodol Garut, Sega Jamblang, Tahu Gejrot, jeung sajabana.

8

Page 12: Makalah masakan sunda

BAB 3 PANUTUP

A. Kacindekan

Ciri khas masakan Sunda mangrupa wujud kakayaan budaya anu perlu dilestarikan. Malah sakuduna dilindungi jeung diperlakukan sakumaha benda cagar budaya. Lamun dikaitkeun jeung industri pariwisata, eksplorasi anu pakait masakan tradisional Sunda miboga potensi gede jang obyek wisata. Sabab masyarakat pariwisata internasional nganggap, masakan sanes ngan saukur sakadar pangeusi beteung seubeuh. Maranehna neang sensasi anyar ku cara ngarasakeun kanikmatan makanan khas ti hiji wewengkon.

B. Saran

  Kanggo sadayana, hayu urang sasarengan lestarikeun deui kadaharan asakan sunda, diawalan ku hal-hal alit dinu kahirupan urang sapopoe. Cindekna mah ku ngadahar dahareun traditional saperti tempe, tahu, susu kedele, lotek, karedok jeung sajabana sabage kadaharan anu bakal ngajauhkeun tina gangguan kolesterol anu kaleuleuwihi dina getihna, anu oge ngandung harti bakal kasinglar tina kamungkinan katarajang panyakit jantung koroner, sabab masakan sunda mibanda ajen inajen gizi pinunjul pisan pikeun kasehatan katut kabugaran sarta ningkatkeun apresiasi selera masyarakat kana kadaharan tradisional.

Reueus pisan, ku ayana Masakan Sunda.

9

Page 13: Makalah masakan sunda

REFERENSI

1. http://blog.epicurina.com/2011/10/what-is-nasi-liwet-sunda.html

2. http://www.duniakuliner.info/2012/04/kuliner-khas-jawa-barat.html

3. http://indonesia-liek.blogspot.co.id/2011/09/makanan-khas-sunda-jawa- barat-nama.html