KASENIAN SUNDA 7.docx
Transcript of KASENIAN SUNDA 7.docx
GEMBYUNG
Kasenian Gembyung
Gembyung nya éta ensambel musik anu diwangun ti sawatara waditra saperti
tarompet anu mangrupa jenis kasenian bernafaskan Islam. [1] Sanajan kitu, di
lapang kapanggih sawatara kasenian Gembyung anu henteu ngagunakeun waditra
tarompet. [1]
Seni tradisional Gembyung asalna tina ngaran salah sahiji gamelan Sunda anu
disebut Goong, dilengkepan ku pakakas musik séjénna, jumlah pamaenna sakitar
25 jalma. [2] Tugasna salaku: pamaén kenting hiji jeung dua; pamaén kemong
hijijeung dua; pamaén kendang katipluk; pamaén kolenter; pamaén gembyung hiji
jeung dua; pamaén suling; pamaén rebab; serta pamaén kemong hiji jeung dua. [2]
Gembyung Di Majaléngka
Biasana kasenian Gembyung ti Kabupatén Majaléngka ieu dipintonkeun nalika
dina acara-acara religius, contona dina acara nikahan, muludan, peresmian masjid
atawa haolan kawas di Pasantrén Barang Cirebon, sarta di salah sahiji pasantrén di
Kabupatén Subang (di Pamanukan).[2] Sajaba ti éta, kungsi ogé dipintonkeun
1
pikeun ngawakilan seni tradisional Majaléngka anu dilaksanakeun di Taman Mini
Indonésia Indah dina warsih 1984 sarta 1986. [2]
Pintonan seni Gembyung dikawitan ku macakeun tawasul sarta hadhoroh ka Nabi
Muhammad SAW, para kulawargana sarta para sahabatna sarta ka para umatna
anu taat ka Anjeunna. [2] Tuluy nembangkeun shalawat ti Kitab barjanji (nyaéta
kitab anu ditulis Imam Barjajnji) atawa anu disebut Debaan, dipirig ku musik
gembyung. [2] Mimiti ayana seni budaya tradisional Gembyung di Kabupatén
Majaléngka kira-kira saméméh warsih 1930 an. [2] Para inohong seni ieu nya eta
H.E. Zaenal Muttagin, Dudung, ustadz Sadeli ti Gunung Manik Kecamatan
Talaga, H.E. Jaelani, SH ogé Bupati ayeuna Hj. Tutty Hayati Anwar SH., M.Si. [2]
Sanajan kaasup seni anu miboga akar budaya buhun (kuno), tapi dina sumebarna
condong dikemas sacara dinamis ku para seniman anu ahli di widangna nya éta
kalayan nuturkeun perkembangan jaman. [2]
Kelompok Pintonan Gembyung Di Majaléngka
Sawatara kelompok kasenian gembyung diantarana:
Group Laila, lulugu Bapa Oyo, di Buninagara Bantarujeg;
Panji Wulung, lulugu Kyai Bahrudin, di Gunung Manik;
Mekar Budaya Putra, lulugu Yaya Suhaya, di Gunung Manik; ditambah
dua group séjénna di Ganeas sarta Salado;
Miftahul Jannah, lulugu Noyadi, di Darmalarang, Banjaran;
Panca Darma, lulugu Jaenudin, di Burujul Wetan Jatiwangi.
2
GAMELAN DEGUNG
Pintonan RRI maké gamelan degung (24 April 1966)
Gamelan degung nya éta gamelan has tradisional Jawa Barat hususna suku
Sunda[1]. Kecap degung asalna tina akronim Deg ngadeg ka nu Agung
(ngadeg=nangtung, agung= megah atawa pangagung)[2][3]. Lian ti éta asal kecap
degung tina kecap ratu-ratu agung atawa tumenggung, sabab jaman harita ieu
musik dipikaresep ku para pangagung (ménak atawa bangsawan), misalna Bupati
Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu sok mgadokuméntasikeun sababaraha
lagu kana bentuk rekaman[2][3]. Awalna mah degung téh dipintonkeun dina wanda
instrumental wungkul (karawitan gending), tapi kaayeunakeun mah, degung sok
dipaké pamirig lagu[1]. Dina kamus susunan H.J Oosting (1879) kecap degung téh
tina kecap De Gong (basa Walanda) anu hartina penclon-penclon nu digantung[3].
Bahan
Gamelan degung anu alus dijieunna tina perunggu, anapon gamelan anu maké
bahan wesi jeung kualitas anu leuwih basajan dimaksudkeun sangkan gamelas
bisa leuwih kahontal ku masarakat, hususna pikeun pangajaran di Lembaga-
lembaga atikan[1]. Anapon perangkat tambahan saperti kendang, suling, jsté
dijieun tina bahan anu béda deui[1].
3
Papasingan Waditra Dina Gamelan Degung
Istilah waditra, hususna dina degung nya éta istilah anu nyoko kana alat-alat anu
digunakeun dina saperangkat gamelan (instrumén). Ilaharna wadtra-waditra dina
gamelan degung ngawengku:
1. Bonang, anu kabagi jadi 14 penclon dina ancakna. Ngadérét mulai ti nada mi
nepi ka nada la ageung;
2. Cemprés, anu ngawengku 14 wilah nada. Ngadérét ti nada mi alit nepi ka la
rendah;
3. Panerus, bentuk jeung jumlah nadana sarua jeung saron, ngan ilaharna sok
béda oktafna wungkul;
4. Jengglong, anu kabagi jadi 6 wilah. Disimpen kucara digantung atawa
disimpen siga bonang dina gemelan pélog (disimpen di Luhur benang);
5. Goong, Awalna mah ngan saukur maké gong gedé wungkul, tapi
kaayeunakeun mah sok maké kempul saperti anu digunakeun gamelan pélog;
6. Suling, dina gamelan degung, suling anu digunakeun nya éta suling anu boga
opat liang;
7. Kendang, pungsina keur ngatur ritem, anu ngawengku hiji kendang gede jeung
dua kulantér[2].
Kamekaran Gamelan Degung
R.A.A. Wiranatakusumah V, nu ngawanohkeun gamelan degung di Bandung
4
Pindah ka Bandung
Baheula, gamelan degung ngan dipaké minangka instrumén wungkul, lantaran
Bupati Cianjur R.A.A. Wiranatakusumah V ngalarang degung anu maké nyanyian
(vokal) sabab bisa nyieun suasana anu kurang serius[3]. Nalika R.A.A.
Wiranatakusumah pindah ka Bandung, gamelan degung anu ngaranna
pamagersari ieu katut nayagana ngilu pindah ka pendopo Bandung dipingpin ku
Idi[3]. Sabada pindah ka Bandung, gamelan degung loba dipaké dina acara hajatan
sabab loba nu kairut ku sorana anu éndah[3]. Tisaprak harita Bupati nitah nyieun
gamelan degung deui anu dingaranan Purbasasaka, dipingpin ku Oyo[3]. Salian ti
éta, gamelan degung sok dipaké pikeun musik gending karesmén dina pagelaran-
pagelaran saperti Lutung Kasarung jeung Mundinglaya dikusumah[3]. Taun 1954,
degung mulai dipaké pikeun mirig kawih-kawih Sunda, utamana ku grup
Parahyangan anu dipingpin ku E. Tjarmedi[3]. E. Tjarmedi jeung Rahmat
Sukmasaputra nya éta salah sahiji anu méré ide ayana nayaga wanoja[3].
1970-1980
Taun 1970-1980 beuki loba waé anu ngagarap gamelan degung, misalna Nano. S
kalayan grupna Gentra Madya (1976), Lingkung Seni Dewi Pramanik anu
dipingpin ku Euis Komariah, Degung Gapura kagungan Kustyara, jeung degung
gaya Ujang Suryana (Pakutandang, CIparay) anu kasohor ku gaya maénkeun
sulingna anu has[3]. Nano. S ngasupkeun waditra kacapi dina degungna[3]. Nano. S
nyiptakeun lagu kalayan intro jeung aransemén sorangan, sababaraha karyana anu
direkam dina bentuk kasét suksés di Pasaran, diantarana Panglayungan (1977),
Puspita (1978), Naon Lepatna (1980), Tamperan Kaheman (1981), Anjeun (1984)
jeung Kalangkang nu dinyanyikeun ku Nining Meida jeung Barman Syahyana
(1986)[3].
Béda jeung mangsa awal (taun 1950an) nu dimana para penyanyi degung lolobana
ti kalangan penyanyi gamelan pélog saléndro (pasindén; ronggéng), penyanyi taun
1970-an lolobana ti kalangan mamaos tembang Sunda Cianjuran, boh lalaki boh
wanoja[3]. Juru kawih anu kasohor ti kalangan mamaos dianatarana: Euis
5
Komariah, Ida Widawati, Teti Afienti, Mamah Dasimah, Barman Syahyana, Didin
S. Bajuri, Yus Wiradiredja, Tati Saléh, jsté[3].
Kiwari
Gamelan Degung kaayeunakeun mah sok dipaké pikeun mirig lagu non-klasik
dina acara-acara ririaan (hajatan)[4][5]. Pikeun pola lagu atawa nabeuhna loba maké
polanu diadaptasi tina kiliningan[4]. Misal gending catrik, kulu-kulu, Cirebonan,
Banjaran, Jipang lontang, jsté[4]. Sedengkeun pikeun lagu-lagu klasik mah jarang
pisan dibawakeun, aya kamungkinan ieu hal disababkeun alatan para pangrawit
degung loba anu henteu apal lagu-lagu klasik[4]. Salian ti éta musik degujng ogé
biasa kapireng dina upacara adat Sunda, féstival jeung pintonan seni[5]. Anu ironis
nya éta kurangna minat generasi ngora dina ngokolakeun katut ngamumulé ieu
budaya, anu malah leuwih dimekarkeun ku pihak asing[5].
Kamekaran di Luar Nagri
Saluareun Indonesia, kamekaran degung dilaksanakeun ku paguron luhur seni
jeung para musisi, misalna Lingkung Seni Pusaka Sunda ti Universitas Kalifornia
(Santa Cruz, USA), musisi Lou Harrison (Amerika), John Siddal (Kanada), jeung
Rachel Swindell anu dibarengan ku mahasiswa séjénna ti London (Inggris),
Paraguna ti (Jepang)[6][7]. Di Melbourne, Australia aya hiji perangkat gamelan
kagungan Universitas Melbourne anu sok dipaké ku hiji komunitas nu resep
musik Sunda pikeun latihan jeung minton di féstival-féstival[6]. Mekarna Gamelan
degung di Luar nagri teu leupas ti kontribusi Nano. S salaku seniman Sunda anu
imahna tara sepi ti para tenaga pengajar luar nagri anu hayang diajar seni Sunda[7].
John Siddal nya éta salah sahiji tokoh anu kungsi diajar ka Nano. S, tuluy John
ngadegkeun grup degung Ever Green di Vancouver, Kanada[7]. Garapan Degung
Ever Green salian mawakeun komposisi lagu Sunda, ogé mintonkeun garapan
anyar anu kaluar tina wengkuan gamelan degung di Sunda[7]. Garapan kalayan
pola musik Kulon diterapkeun dina gamelan degung tan maké waditra tambahan
séjénna[7]. Anu béda ngan komposisina wungkul, sedengkeun laras mah tetep
musrni[7].
6
Salah sahiji Universitas nu geus lila boga gamelan degung nya éta Universitas nu
aya di Santa Cruz[7]. Harita, naika taun 1990-an aya rombongan pengajar ti Santa
Cruz datang ka Bandung terus tepung jeung Wali kota Bandung, Ateng
Wahyudi[7]. Harita pa Ateng masihan saperangkat gamelan degung, saluyu jeung
paménta maranéhna[7].
Kacapi
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kacapi mangrupakeun waditra musik Sunda anu dipaké minangka pakakas musik
utama dina Tembang Sunda atawa Mamaos Cianjuran sarta kacapi suling.
Kecap kacapi dina basa Sunda ogé ngarujuk kana tangkal sentul, anu dipercaya
kaina dipaké pikeun nyieun pakakas musik kacapi.
Wangun
Wincikan unsur nada dina hiji Kacapi Parahu
Nurutkeun wangun fisikna, aya dua rupa kacapi:
1. Kacapi Parahu atawa Kacapi Gelung ; jeung
2. Kacapi Siter
Kacapi Parahu nyaéta hiji kotak résonansi anu bagian handapna henteu ditutup
supaya jadi tempat kaluarna sora. Sisi-sisi wanda kacapi ieu dijieun sahingga
mirupa parahu. Di mangsa katukang, kacapi ieu dijieun langsung tina kai ku cara
dipahat.
7
Kacapi siter mangrupakeun kotak résonansi kalayan widang rata anu sajajar.
Sarupa jeung kacapi parahu, liangna ditempatkeun dina bagian handap. Sisi
bagian luhur sarta handapna ngawangun trapésium.
Pikeun dua rupa kacapi ieu, unggal talina ditalikeun kana hiji sekrup leutik dina
sisi katuhu beulah luhur éta kotak. Kacapi-kacapi ieu bisa dipanteng dina sistem:
pélog, sorog/madénda, atawa saléndro.
Ayeuna, kotak résonansi kacapi dijieun ku cara ngelém sisi-sis genep widang
papan.
Details of pawn-bridges of a Kacapi Parahu
Kaguna
Kacapi indung jeung kacapi rincik
Nurutkeun fungsina dina marengan juru tembang, kacapi digunakeun minangka:
1. Kacapi indung; jeung
2. Kacapi Anak atawa Kacapi Rincik
8
Kacapi indung ngaluluguan musik ku cara méré intro, bridges, sarta interlude,
ogé nangtukeun témpo. Pikeun tujuan ieu, dipaké hiji kacapi badag kalayan 18
atawa 20 tali.
Déngékeun jentréngan tina hiji kacapi indung. (pitulung·info)
Kacapi Rincik ngabeungharan jentréngan ku cara ngeusian rohang antar nada ku
frékuénsi-frékuénsi luhur, hususna dina lagu-lagu anu boga métrum tetep kawas
dina kacapi suling atawa Sekar Panambih. Pikeun tujuan ieu, dipaké hiji kacapi
anu leuwih leutik kalayan tali anu jumlahna nepi ka 15.
Déngékeun jentréngan tina hiji kacapi indung jeung hiji kacapi rincik.
(pitulung·info)
9