Biantara Dina Sagala Acara Pernikahan
-
Upload
adeanodean -
Category
Documents
-
view
248 -
download
7
Transcript of Biantara Dina Sagala Acara Pernikahan
Biantara dina sagala acara pernikahan.
a. Penampian
Alhamdulillahi ahalanikah wanadaba alaih waharoma sifah wawa ada ilaih. Ashadu Allailaha
ilallah wahdahu lasarikallah waashadu ana Muhammadan abduhu warosulluhu wausolli wasallim ala
muhammadin la nabiya ba’dah . Amma ba’du
Paya ’ibadallah alaikum bitakwallah wathoatihi.
Puji kalih syukur urang sanggakeun ka haribaan nu maha Goffur solawat miwah salam mugia di
curahkeun ka pangkonan alam baginda Muhammad SAW.
Cunduk waktu nu rahayau ninggang mangsa nu utama. Melati ligar na ati campaka mangkak na
dada, kiwari mangsa pakait patali asih pasini janji nu bihari subaya nu baheula geusan ngaguar catur
batur anu kapungkur, neang sawah anu baheula milari badami kompromi anu kamari, wangkid ieu tiasa
tepung lawung di bale nyungcung, tepang wajah di bale endah , batu turun keusik naek kalapa
tonggoheunana itu purun ieu daek sarua bogoheunana.
Kabungah nu taya wates wangenna bungah amar wata suta lir jaladri tanpa tepi gunung suwung
tutugan lir tampa tepian danget ieu sesepuh ti atas name rombongan parantos ngaguar eusining ati
sanubari anu parantos kaharti eusina kahartos maksadna kalayan panyarenan di tampi ku asta kalih di
tampa lingga murda lir setra dina cai talaga nurutus tembus di tampi ku dua belah tangan di suhun dina
emun-umunan bade di teundeun dina handaluem sieum geusan sampereun, ditunda dina hanjuang siang
geusan bawaeun, nu diserahkeun, ti luhur sasiku kujur, ti handap saimbas dampal, ti gigir sarincik
mani, ti hareup sasieup kiceup, ti tukang saringkang wayang, gasik di tampi, gancang di tampa,
nanging sawangsulna ti sim kuring ageing soteh maksad sareng tujuanana ma’lum keuna ku paripaos
hujan poyan nyungging langit katumbiri nutug leuwi, maksud hati memeluk gunung apa daya tangan
tak sampai, katingali di langgir caina, katenjo sero balongna. Mugia tawakup anu ka suhun tina ireg
talingeuh anu mantak galideur gog nagog anu matak cologog, sila tutug anu mantak nyentug, emok
cabok anu mantak ngajenghok, saliring dumadi hapunten anu kasuhun bobot pangayom timbang taraju
nyanggakeun ka sadayana.