PUPUH SUNDA

21
Pupuh Sunda Kumpulan 17 Pupuh Sunda. Asmarandana Laras: Salendro Watek: silih asih, silih pikanyaah atawa mepelingan. 1 Pada := 7 padalisan. Pupuh 1: Asmarandana Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling- mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i) rumingkang di bumi alam( 8 – a ) darma wawayangan bae ( 8 – e ) raga taya pangawasa ( 8 – a ) lamun kasasar lampah ( 7 – a ) nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u ) badan anu katempuhan ( 8 – a ) Panambih: Eling-eling masing eling Di dunya urang ngumbara Laku lampah nu utama Asih ka papada jalma Ucap tekad reujeung lampah Tingkah polah sing merenah Runtut rukun sauyunan Hirup jucung panggih jeung kamulyaan ——————- Sumber: [geocities.@] [www.angeltowns3.@] Balakbak

Transcript of PUPUH SUNDA

Pupuh Sunda

Kumpulan 17 Pupuh Sunda.

Asmarandana

Laras: Salendro

Watek: silih asih, silih pikanyaah atawa mepelingan.

1 Pada := 7 padalisan.

Pupuh 1: Asmarandana

Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-

mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)

rumingkang di bumi alam( 8 – a )

darma wawayangan bae ( 8 – e )

raga taya pangawasa ( 8 – a )

lamun kasasar lampah ( 7 – a )

nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )

badan anu katempuhan ( 8 – a )

Panambih:

Eling-eling masing eling

Di dunya urang ngumbara

Laku lampah nu utama

Asih ka papada jalma

Ucap tekad reujeung lampah

Tingkah polah sing merenah

Runtut rukun sauyunan

Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

——————-

Sumber:

[geocities.@]

[www.angeltowns3.@]

Balakbak

Watek: pikaseurieun.

1 pada := 3 padalisan.

Pupuh 2: Balakbak

Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)

Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)

Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-

e).

Panambih:

Aya warung sisi jalan

Rame pisan ku nu jajan

Tihothat nu ngaladangan

Nu jarajan sukan-sukan

————————-

Laras: Madenda

Dangdanggula

Pupuh 3: Dangdanggula

Mega beureum surupna geus burit

Ngalanglayung panas pipikiran

Cikur jangkung jahe koneng

Naha teu palay tepung

Sim abdi mah ngabeunying leutik

Ari ras cimataan

Gedong tengah laut

Ulah kapalang nya bela

Paripaos gunting pameulahan gambir

Kacipta salamina

Panambih:

Hiji basa, hiji bangsa

Basa bangsa, Indonesia

Hiji bangsa, hiji nusa

Nusa tunggal, Nusantara

Seler-seler, suku bangsa

Di wewengkon, mana-mana

Sakasuka, sakaduka

Wujud bangsa, Indonesia

——————————-

Laras: Pelog, Sorog

Sumber:

[www.angeltowns3.@]

Durma

Pupuh 4: Durma:

Moal ngejat sanajan ukur satapak

Geus dipasti ku jangji

Mun tacan laksana

Numpes musuh sarakah

Heunteu niat seja balik

Najan palastra

Mati di medan jurit

Panambih:

Di mamana si penjajah

Pada amarah marudah

Manan kapok anggur gawok

Najan dituyuk diragut

Nagri sadayana

Umumna ngabela

Nyempad rosa, pulitik penjajah

Tapi nu ngajajah

Teu pasrah, teu sadrah

Terus meres, ngahina ngarinah

———————

Laras: Pelog

Gambuh

Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.

1 Pada := 5 padalisan.

Pupuh 5: Gambuh

Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )

henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )

turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )

panon poe geus rek surup ( 8 – u )

keueung sieun aya meong ( 8 – o )

Ngahuleng banget bingung

Heunteu terang kamana nya indit

Turug-turug harita teh, enggeus burit

Panonpoe geus rek surup

Keueung sieun, aya meong

Panambih:

Hulang-huleng, hulang-huleng

Ngahuleng ngaraga meneng

Hate ratug, tutunggulan

Heunteu terang, kaler-kidul

Turug-turug, turug-turug

Harita teh, enggeus burit

Panonpoe geus rek surup

Keueung sieun aya meong

———————-

Laras: Pelog

Gurisa

Kaping: 18.07.2003 13:58

Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.

1 Pada := 8 Padalisan.

Pupuh 6: Gurisa

Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )

geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )

nagih anu boga hutang (8 – a )

mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )

tapi najan henteu meunang ( 8 – a )

teu rek buru buru mulang ( 8 – a )

rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )

jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)

Hayang teuing geura beurang

Geus beurang rek ka Sumedang

Nagih ka nu boga hutang

Mun meunang rek meuli soang

Tapi najan henteu meunang

Mo rek buru-buru mulang

Rek terus guguru nembang

Jeung diajar nabeuh gambang

Panambih:

Hayang teuing geura beurang

Geus beurang rek ka Sumedang

Nagih ka nu boga hutang

Mun meunang rek meuli soang

Tapi najan henteu meunang

Mo rek buru-buru mulang

Rek terus guguru nembang

Jeung diajar nabeuh gambang

———————-

Laras: Salendro

Juru Demung

Pupuh 7: Jurudemung

Mungguh nu hirup di dunya

Ku kersaning anu agung

Geus pinasti panggih

Jeung dua rupa perkara

Senang paselang jeung bingung

Panambih:

Mungguh hirup di alam dunya

Ku kersaning anu agung

Geus pinasti bakal panggih

Suka bungah jeung kasedih

Dua rupa nu tumiba

Sakabeh jalma di dunya

Senang patumbu jeung bingung

Eta geus tangtu kasorang

—————————-

Laras: Pelog Liwu

Kinanti

Laras: Pelog/Salendro

Watekna: miharep atawa prihatin.

1 Pada := 6 Padalisan

kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )

nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )

henteu aya papadana ( 8 – a )

ratuning kembang sajati ( 8 – i )

papaes di patamanan ( 8 – a )

seungit manis ngadalingding ( 8 – i )

Pupuh 8: Kinanti

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Nguriling kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih

Panambih:

Ari beurang ngagarantung

Pinuh dina dahan kai

Disarada patembalan

Nu kitu naon ngaranna

————————

Laras: Salendro

Ladrang

Pupuh 17: Ladrang

Aya hiji rupa sato leutik

Engkang-engkang, engkang-engkang

Sok luluncatan di cai

Ari bangun arek sarupa jeung lancah

Panambih:

Coba teguh masing telik

Eta gambar sidik-sidik

Sato naon kitu wanda

Reujeung dimana ayana

————————-

Laras:

Lambang

Watek: banyol atawa pikaseurieun.

Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.

Pupuh 9: Lambang

Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )

nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )

atuh teu payu dijual ( 8 – a )

rek didahar da teu halal ( 8 – a )

Panambih:

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Meunang kadal

Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

Da teu halal

Laras: Salendro

Magatru

Pupuh 10: Magatru

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung

Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung

Rajamandala, Cimahi

Leles, Limbangan, Tarogong

Panambih:

Sukuna pakepit tilu

Panonna opat harerang

Leumpangna semu nu lesu

Ngalengkah teu bisa gancang

————————-

Laras: Madenda

Maskumambang

Dikintun: koryati (202.51.230.139)

Kaping: 17.02.2004 09:52

Pupuh : Maskumambang

Duh manusa mana kaniaya teuing

teu aya rasrasan

abong ka mahluk nu laip

nyiksa henteu jeung aturan

Hulu abdi karaosna langkung nyeri

tulang asa bejad

tanduk mah pon kitu deui

taya raoskeuneunnana

Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri

pedah kabisan

tapi yaktosna mah abdi

ngan bakating kumawula

Oge margi anjeun rupina ka abdi

miwarang jeung maksa

buktina disina jurit

kalawan jeung dihatean

Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi

moal bisa panjang

abdi ningal bumi langit

rek mulang ka kalanggengan

jst.

Mijil

Pupuh 12: Mijil

Mesat ngapung putra Sang Arimbi

Jeung mega geus awor

Beuki lila beuki luhur bae

Larak-lirik ninggali ka bumi

Milari sang rai

Pangeran Bimanyu

Panambih:

Aduh Gusti nu Kawasa

Jisim abdi ageung dosa

Pangna abdi gering nangtung

Reh ka sepuh wantun nundung

———————-

Laras: Pelog

Pangkur

Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.

Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.

———-

Pupuh 13: Pangkur

Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )

ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )

henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )

balik paman sadaya ( 7 – a )

nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )

Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )

“Aing ngaran Jayapati”( 8 – i )

Panambih:

Euleuh itu budak gembul

Awak gembru bayuhyuh gawena kedul

Ukur heuay jeung nundutan

Ka sakola unggal poe kabeurangan

He barudak tong nurutan

Ka nu gembul kokomoan

Bisi kedul jeung ogoan

Awal akhir katempuhan

————————-

Laras: Salendro

Pucung

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.

Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.

———

Pupuh 14: Pucung

Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )

jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )

tanda yen bagjana gede ( 8 – e )

hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung

Monyet loreng leupas

luncat kana pager dengdek

Bajing kuning jaralang belang buntutna

Panambih:

Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora bisi engke henteu naek

Batur seuri urang sumegruk nalangsa

————————

Laras: Salendro

Sinom

Watekna gumbira.

Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.

Contona :

Di wetan fajar balebat ( 8 – a )

panon poe arek bijil ( 8 – i )

sinarna ruhay burahay ( 8 – a )

kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )

campur wungu saeutik ( 7 – i )

kaselapan semu biru ( 8 – u )

tanda Batara Surya ( 7 – a )

bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )

murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

Pupuh 15: Sinom

Warna-warna lauk empang

Aya nu sami jeung pingping

Pagulung patumpang-tumpang

Ratna Rengganis ninggali

Warnaning lauk cai

Lalawak pating suruwuk

Sepat pating karocepat

Julung-julung ngajalingjing

Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Panambih:

Harta pada nareangan

Harti pada narabahan

Harta harti sarwa guna

Pada bisa mere bukti

Bisa hasil sapaneja

Sok nyumponan cita-cita

Harta harti song mangpaat

Dapon diraksa taliti

———————-

Laras: Madenda

Wirangrong

Pupuh 16: Wirangrong

Barudak mangka ngalarti

Ulah rek kadalon-dalon

Enggon-enggon nungtut elmu

Mangka getol mangka tigin

Pibekeleun sarerea

Modal bakti ka nagara

Panambih:

He barudak mangka ngarti

Ulah rek kadalon-dalon

Nungtut elmu jeung pangarti

Masing rajin soson-soson

Pibekeleun hirup tandang

Modal bakti ka nagara

Lemah cai anu urang

Perlu dijaga dibela

——————————

Laras:

source

: http://ridwanfjr.multiply.com/journal/item/2/17_Pupuh_sunda

Salam Sahabat Komputermedia!.

Dalam sunda ada yang dinamakan dengan pupuh, disini saya akan

tulisakan 17 Nama Pupuh Sunda dengan Contoh-contohnya

dari Platform Six.

Berikut nama-nama 17 pupuh tersebut :

1. Asmarandana

2. Balakbak

3. Dangdanggula

4. Durma

5. Gambuh

6. Gurisa

7. Juru Demung

8. Kinanti

9. Ladrang

10. Lambang

11. Magatru

12. Maskumambang

13. Mijil

14. Pangkur

15. Pucung

16. Wirangrong

17. Sinom

Contoh :

ASMARANDANA

Eling eling mangka eling

rumingkang di bumi alam

darma wawayangan bae

raga taya pangawasa

lamun kasasar lampah

nafsu nu matak kaduhung

badan anu katempuhan

BALAKBAK

Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng

Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng

Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng

DANGDANGGULA

Mega beureum surupna geus burit

Ngalanglayung panas pipikiran

Cikur jangkung jahe koneng

Naha teu palay tepung

Sim abdi mah ngabeunying leutik

Ari ras cimataan

Gedong tengah laut

Ulah kapalang nya bela

Paripaos gunting pameulahan gambir

Kacipta salamina

DURMA

Moal ngejat sanajan ukur satapak

Geus dipasti ku jangji

Mun tacan laksana

Numpes musuh sarakah

Heunteu niat seja balik

Najan palastra

Mati di medan jurit

GAMBUH

Ngahuleng banget bingung

henteu terang ka mana ngajugjug

turug turug harita teh enggeus burit

panon poe geus rek surup

keueung sieun aya meong

Ngahuleng banget bingung

Heunteu terang kamana nya indit

Turug-turug harita teh, enggeus burit

Panonpoe geus rek surup

Keueung sieun, aya meong

GURISA

Hayang teuing geura beurang

geus beurang rek ka Sumedang

nagih anu boga hutang

mun meunang rek meuli soang

tapi najan henteu meunang

teu rek buru buru mulang

rek tuluy guguru nembang

jeung diajar nabeuh gambang

Hayang teuing geura beurang

Geus beurang rek ka Sumedang

Nagih ka nu boga hutang

Mun meunang rek meuli soang

Tapi najan henteu meunang

Mo rek buru-buru mulang

Rek terus guguru nembang

Jeung diajar nabeuh gambang

JURU DEMUNG

Mungguh nu hirup di dunya

Ku kersaning anu agung

Geus pinasti panggih

Jeung dua rupa perkara

Senang paselang jeung bingung

KINANTI

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Nguriling kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih

LADRANG

Aya hiji rupa sato leutik

Engkang-engkang, engkang-engkang

Sok luluncatan di cai

Ari bangun arek sarupa jeung lancah

LAMBANG

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Meunang kadal

Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

Da teu halal

MAGATRU

Sukuna pakepit tilu

Panonna opat harerang

Leumpangna semu nu lesu

Ngalengkah teu bisa gancang

MASKUMAMBANG

Duh manusa mana kaniaya teuing

teu aya rasrasan

abong ka mahluk nu laip

nyiksa henteu jeung aturan

Hulu abdi karaosna langkung nyeri

tulang asa bejad

tanduk mah pon kitu deui

taya raoskeuneunnana

Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri

pedah kabisan

tapi yaktosna mah abdi

ngan bakating kumawula

Oge margi anjeun rupina ka abdi

miwarang jeung maksa

buktina disina jurit

kalawan jeung dihatean

Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi

moal bisa panjang

abdi ningal bumi langit

rek mulang ka kalanggengan

MIJIL

Aduh Gusti nu Kawasa

Jisim abdi ageung dosa

Pangna abdi gering nangtung

Reh ka sepuh wantun nundung

PANGKUR

Euleuh itu budak gembul

Awak gembru bayuhyuh gawena kedul

Ukur heuay jeung nundutan

Ka sakola unggal poe kabeurangan

He barudak tong nurutan

Ka nu gembul kokomoan

Bisi kedul jeung ogoan

Awal akhir katempuhan

PUCUNG

Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora bisi engke henteu naek

Batur seuri urang sumegruk nalangsa

SINOM

Warna-warna lauk empang

Aya nu sami jeung pingping

Pagulung patumpang-tumpang

Ratna Rengganis ninggali

Warnaning lauk cai

Lalawak pating suruwuk

Sepat pating karocepat

Julung-julung ngajalingjing

Sisi balong balingbing, sisi balungbang

WIRANGRONG

He barudak mangka ngarti

Ulah rek kadalon-dalon

Nungtut elmu jeung pangarti

Masing rajin soson-soson

Pibekeleun hirup tandang

Modal bakti ka nagara

Lemah cai anu urang

Perlu dijaga dibela

Sekian semoga bermanfaat.

Terimakasih.

Waktu di SD kuring kungsi diajar pupuh ku guru. Ngan nyakitu,

lian ti teu kumplit, tetela lamun ditengetan ayeuna mah

singhoreng loba nu kurang merenah, ma'lum pan aranjeunna (para

guru) teu kabeh seniman, padahal sarerea oge pada terang di SD

mah guru teh kudu bisa ngajar sagala rupa pangajaran. Najan

kitu, ku diwanohkeun oge kana pupuh geus pirang-pirang nuhun,

sabab eta geus jadi dadasar dina diri kuring enggoning ngipuk

kadeudeuh kana basa jeung budaya Sunda.

 

Pupuh teh wangun dangding atawa lagu anu kauger ku aturan nu

geus pararuguh. Jumlahna aya 17 nyaeta: Asmarandana, Balakbak,

Dangdanggula, Jurudemung, Durma, Gambuh, Gurisa, Kinanti,

Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur,

Pucung, Sinom, Wirangrong.

 

Masing-masing pupuh ngabogaan watek tur aturan nu beda-beda,

ngawengku jumlah padalisan (baris), guru wilangan atawa

jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (baris),

sarta guru lagu atawa sora a-i-u-e-o dina tungtung padalisan.

Sedengkeun jumlah pada (bait) mah henteu disengker, kumaha

kahayang nu nganggit guguritan.

 

Baheula mah pupuh teh sok dipake ngarang carita,

disebutna wawacan. Salah sahiji contona nu kuring masih keneh

inget nyaeta wawacan Purnama Alam. Inget soteh judulna, bukuna

mun teu salah aya dua jilid, da ari eusi caritana mah poho

deui, ma'lum macana ge keur budak keneh tur kekecapanana loba

nu can kaharti. Ngan nu masih keneh inget teh salah sahiji

tokohna ngaranna Ratna Suminar.

 

Dina wawacan, suasana carita diluyukeun jeung watek pupuh.

Upamana bae, nu keur nalangsa ditinggalkeun kabogoh moal

mungkin dicaritakeun dina pupuh Durma, sabab Durma mah watekna

heuras. Nu keur sedih mah leuwih cocog dicaritakeun make pupuh

Mijil atawa Maskumambang. Sabalikna nu keur perang moal

dicaritakeun make pupuh Pupuh Lambang anu watekna banyol atawa

pikaseurieun.

1. Asmarandana: Watekna silih asih silih pikanyaah atawa

mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

2. Balakbak: Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku

3padalisan.

3. Dangdanggula: Watekna bungah atawa agung.

Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.

4. Jurudemung: Watekna kaduhung, atawa hanjakal.

Unggal padadiwangun ku lima padalisan.

5. Durma: Watekna heuras atawa siap rek tarung.

Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

6. Gambuh: Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.

Unggalpada diwangun ku lima padalisan.

7. Gurisa: Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.

Unggalpada di wangun ku dalapan padalisan.

8. Kinanti: Watekna miharep atawa prihatin.

Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

9. Ladrang: atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku

opatpadalisan.

10. Lambang: Watekna banyol atawa pikaseurieun.

Unggal padadiwangun ku opat padalisan.

11. Magatru: Watekna lulucon deukeut deukeut kana

prihatin. Unggalpada diwangun ku lima padalisan.

12. Maskumambang: Watekna prihatin, sasambat atawa

nalangsa. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

13. Mijil: Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada

diwangun ku genep padalisan.

14. Pangkur: Watekna napsu, lumampah atawa sadia rek

perang. Unggalpada diwangun ku tujuh padalisan.

15. Pucung: Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.

Unggal padadiwangun ku opat padalisan.

16. Sinom: Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku

salapanpadalisan.

17. Wirangrong: Watekna era atawa wirang.

Unggal pada diwangun ku genep padalisan.