TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

15
ANALISIS PURWAKANTI “LEUNGITEUN” kamana panutan abdi nu sok biasa sumping kamana panutan rasa nu sok leukeun ngariksa tara-tara tisasari abdi ngaraos sedih teu aya keur pangumaha keur batur suka-suka iyeuh abdi leungiteun mondok ge tara tibra iyeuh abdi leungiten neda tara mirasa kamana panutan abdi nu sok biasa sumping kamana panutan rasa nu sok leukeun ngariksa iyeuh abdi leungiteun mondok ge tara tibra iyeuh abdi leungiten neda tara mirasa kamana panutan abdi nu sok biasa sumping kamana panutan rasa nu sok leukeun ngariksa

description

ANALISIS PURWAKANTI

Transcript of TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Page 1: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

ANALISIS PURWAKANTI

“LEUNGITEUN”

kamana panutan abdinu sok biasa sumpingkamana panutan rasanu sok leukeun ngariksa

tara-tara tisasariabdi ngaraos sedihteu aya keur pangumahakeur batur suka-suka

iyeuh abdi leungiteunmondok ge tara tibraiyeuh abdi leungitenneda tara mirasa

kamana panutan abdinu sok biasa sumpingkamana panutan rasanu sok leukeun ngariksa

iyeuh abdi leungiteunmondok ge tara tibraiyeuh abdi leungitenneda tara mirasa

kamana panutan abdinu sok biasa sumpingkamana panutan rasanu sok leukeun ngariksa

NAMI :YESI HERMAN PRATIWIKELAS:XI IPA 3

HASIL ANALISI :

Page 2: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

1. Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.

Contona: tara-tara , suka-suka.

2. Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

kamana panutan abdi (a,a,a,i)nu sok biasa sumping (u,o,a,i)kamana panutan rasa (a,a,a,a)nu sok leukeun ngariksa(u,o,u,a)

3. Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

nu sok leukeun ngariksa (eu, ang)

ASSALAMUALAIKUM,WR.WB.//

PAMIARSA/ WILUJENG PATEPANG SARENG/DINI JUNIVITA /DINA ACARA WARTA DEPOK//WARTA ANU BARIS KAPIDANGKEUN  NYA ÈTA/

KORBAN LONGSOR DI DESA TENJOLAYA DIAJAR DI TÉNDA

Page 3: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

PAMIARSA/PULUHAN MURID SAKOLA DI PERKEBUNAN DEWATA / DESA TENJOLAYA / KECAMATAN PASIRJAMBU / KABUPATEN BANDUNG / NU DINA TANGGAL 23 PEBRUARI 2010 KEUNA KU URUG / MASIH KENEH DIAJAR DI TENDA DARURAT// MARANÉHNA TEU BISA BALIK DEUI KA SAKOLA ASAL / KU SABAB SIEUN LONGSOR DEUI //—PUPUHU POS KOORDINASI BERSAMA MITIGASI / INFORMASI JEUNG BANTUAN MUSIBAT PASIR JAMBU / CIWIDEY / RANCABULI / ASEP ESTER NÉTÉLAKEUN AYA 242 BUDAK SAKOLA DASAR NEPI KA SAKOLA MENENGAH PERTAMA (SMP) ANU JADI KORBAN LONGSOR// 46 URANG DI ANTARANA NYAÉTA MURID SDN DEWATA ANU SAKOLANA DEUKEUT JEUNG TEMPAT LOGNSOR//—MARANÉHNA AYEUNA DIAJAR DI TÉNDA DARURAT// KHUSUS PIKEUN KELAS VI ANU AHAD IEU BAKAL NYANGHAREUPAN UJIAN NASIAONAL/ TI SAPRAK DUA MINGGU KATUKANG / MARANÉHNA CICING JEUNG DIAJAR DI IMAH KAPALA SAKOLA SDN CISONDARI//—MURID KELAS IV SDN DEWATA ANU JUMLAHNA 13 URANG ÉTA / NGAHAJA DITEMPATKEUN DI DINYA SANGKAN BISA MEUNANG BIMBINGAN DIAJAR NU ENYA-ENYA / SAMÉMÉH UJIAN NASIONAL // MURID UTAMANA DIBEKELAN PANGAJARAN TAMBAHAN PIKEUN PANGAJARAN BAHASA INDONESIA / BAHASA INGGRIS / IPA / IPS JUENG PENDIDIKAN KEWARGANEGARAAN//—UNGGAL SENÉN / 46 MURID ANU DIAJAR DI TÉNDA MEUNANG BIMBINGAN TI GURU KHUSUS ANU DIDATANGKEUN DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN BANDUNG// TENDA DARURAT ANU DIADEGKEUN DI BLOK G5 PERKEBUNAN TÉH DEWATA, KIRA-KIRA 6 KM TI LOKASI LONGSOR. DINA KAAYAAN DIAJAR JEUNG NGAJAR SAAYANA / MURID TÉH KATINGALI HÉSÉEUN PISAN DIAJARNA//—AI SRI SUSLOWATI MURID KELAS VI SDN DEWATA ANU DIAJAR DI SDN CISONDARI / NGÉBRÉHKEUN YÉN MANÉHANANA KURANG GENAH DI SAKOLA NU ANYAR / SABAB KUDU NGABIASAKEUN DEUI HIRUP JEUNG MURID / GURU / SARTA LINGKUNGAN ANU ANYAR// KABÉHANANA AYEUNA AYA 187 MURID SD JEUNG 40 MURID SMP KORBAN URUG ANU GEUS DITITPKEUN KE SAKOLA-SAKOLA ANU DEUKEUT.——PAMIARSA/—MUNG SAKITU NU KAPIHATUR/—WILUJEUNG PATEPANG DEUI DINA WARTA NU BAKAL DONGKAP/—AMIT MUNDUR AMIT MUNGKUR

wilujeng siang wilujeng patepang deui dina tv mojang bandung.berita pang anyarna di dugikeun ku asep solihin anu nembe ngalaporkeun aya kahuruan anu ageung dugi ka nyeepkeun sapuluh bumi di saputaran bandung dayeuh, di carioskeun teu aya korban jiwa nanging munding 6 siki, hayam sabondoroyot, domba garut 3 sareng sapi 7 tiwas janten areng, nanging asep solihin oge nyarioskeun ulah dugi ka khawatos margi mung saukur dina impenan.mung sakitu berita siang ti tv mojang bandung, patepang deui dina sanes waktu.

Page 4: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Salah sahiji televisi swasta kasohor, nyaeta Jawara TV, nyiarkeunrupa-rupa berita. Ieu beritana.

Adegan 1Berita Banjir Pembaca Berita 1 & 2Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Pembaca Berita 1Wilujeng siang pamiarsa, wilujeng patepang lawung paamprok jonghok dina bewarabasa sunda Jawara TV, dinten ayeuna, tangtosna sareng simkuring Neneng Jamilah.

Pembaca Berita 2Sareng simkuring Dewi Shinta. Simkuring parantos nyiapkeun bewara-bewara akurat jeung aktual pikeun urang sunda, sapertos perkawis banjir, demam berdarah, kriminal,olah-raga, sareng bewara pilkada. Kanggo bubuka, pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 1Pamiarsa, hujan gede dibarengan angin ribut jeung dor-dar gelap nu teu euereunngabalukarkeun banjir dimana-mana. Desa cimeong, kacamatan Rajasinga, kabupatenIndraprahasta nu biasana tara banjir, ayeunamah kabanjiran. Akibat banjir ieu rebuanwarga Cimeong kapaksa ngungsi ka desa sejen nu sarua kabanjiran. Pamiarsa, urangsambungkeun wae sareng Reporter urang, saderek Kinanti Asmarandhana, di lokasibanjir Desa Cimeong.

Page 5: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Reporter 1Pamiarsa, simkuring Kinanti Asmarandhana ayeuna nuju di Desa Cimeong, salah sahijilokasi nu kabanjiran. Biasana mah desa ieu teh tara kabanjiran. Ceuk katerangansababaraha warga, banjir ieu teh akibat rea tangkal nudituaran, pikeun dijieun suluhakibat harga BBM anu marahal. Akibat banjir ieu rebuan warga kaleungitan sawah,kebon, imah, harta banda sejena, jeung kapaksa ngarungsi ka desa tatangga nu saruakabanjiran oge.

Warga 1Banjir..., banjir..., banjir…, banjir… (Lulumpatan bari nakolan kohkol).

Warga 2Hayu euy…, urang ngarungsi, ngungsi…, ngungsi…! (Ngungsi bari mawa gembolannudibungkus ku sarung).

Warga 3Burukeun atuh! Batur mah geus arindit, meni elat pisan. (Ngageroan pamajikanana barimawa koper).

Warga 4Ke heula atuh, tungguan! Koper we dibabawa, ari pamajikan ditinggalkeun, bari jeungeusina mah baju butut. (Nyusul salakina bari mawa guguling. Duanana silih tungtun)

Warga 5(Ngungsi bari mawa hayam).

Page 6: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Warga 6(Ngungsi bari mawa samak).

Reporter 1Sakitu laporan simkuring, Kinanti Asmarandhana ti lokasi banjir desa Cimeong, hatur nuhun.

Adegan 2Berita Demam BerdarahPembaca Berita 1Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara demamberdarah. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2Wabah demam berdarah beuki nyebar kamana-mana. Rumah sakit, puskesmas, jeungklinik pengobatan ayeuna mah pinuh ku pasien demam berdarah. Rea pasien nu teukasalametkeun akibat teu buru-buru dipariksa ka rumah sakit.

Pembaca Berita 1Salah sahiji rumah sakit, nyaeta Rumah Sakit Harapan Sehat kabanjiran pasien demamberdarah. Ieu bewarana.

Reporter 2Pamiarsa, simkuring Udin nuju di Rumah Sakit Harapan Sehat. Salahsahiji pasien demam berdarah, nyaeta Ujang Astrajingga nuju dipariksa ku dokter Yudistira, dibantuan ku perawat, Juleha. Ujang geus opat poe ngaringkuk di rumahsakit alatan demam berdarah. Samemeh ka rumah sakit Ujang ngarasa demam, lalinu,murel, puyeng, jeung sajabana. Dina kulitna ngadadak kaluar bintik-

Page 7: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

bintik warnabeuruem. Untungna, ku kulawargana Ujang buru-buru dibawa ka rumah sakit.

PasienKumaha, dokter, kuring bakal salamet? Ieu awak nyareri pisan. Teu kuat, asadiseureud ku kamarang.

Dokter Coba kaluarkeun letahna! Lumayan ayeuna mah, rada mendingan, teu siga kamari,parah pisan. Untung dibawa kadieu. Lamun henteu, moal katulungan. (Dokter mariksaletah pasien bari disenteran. Terus mariksa panon, ceuli, beuheung, jeung anggotabadan ne sejenna).

Perawat(Nyatet hasil pamariksaan dokter).Reporter 2Sakitu laporan simkuring, Udin ti Rumah Sakit Harapan Sehat, hatur nuhun.

Adegan 3Berita KriminalPembaca Berita 1Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara kriminal.Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2Bandar narkoba kelas kakap, nu sering kaluar-asup penjara, nyaeta Mat Codet, dicerekku polisi, tengah peuting poe kamari, di imah kontrakanana, Jl. Halimun No. 202 Astina.Ieu bewarana.

Page 8: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

`Reporter 3Pamiarsa, simkuring Ai Zaitun ayeuna aya di Tempat Kejadian Perkara, Jl. Halimun No.202 Astina. Mat Codet teh salah saurang gembong narkoba nu geus lila diincer kuaparat kepolisian. Mat Codet geus sering kaluar-asup penjara. Waktu rek ditewak kupolisi, Mat Codet nyobaan kabur jeung ngalawan, kapaksa salah saurang polisi nembaksukuna. Di tempat kejadian perkara, polisi manggihan ganja nu beuratna 5 kg.

Bandar Narkoba(Lumpat, neang tempat panyumputan).

Polisi 1Montong nyumput siah! Kapanggih ku kuring mah. (Ngundag bari ngacung-ngacungpestol).

Polisi 2Awas! Lamun kabur ditembak ku kami. Nyerah maneh! Hiji…, dua…, tilu…! (Polisi 2nembak bitis Mat Codet. Mat Codet nambru, teu bisa kabur deui, gagauran nahankanyeuri. Pelor nepi kana tulangna).

Bandar NarkobaAmpun pa polisi…, ampun…., kuring kapok, moal deu-deui… (Polisi 1 & 2 mawa MatCodet ka kantor polisi).

Reporter 3Sakitu laporan simkuring, Ai Zaitun ti tempat kejadian perkara, hatur nuhun.

Adegan 4Iklan

Page 9: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Model Iklan 1(Leumpang, meni percaya diri, panggih jeung awewe).

Model Iklan 2(Neutup lalaki meni anteb, kasima, ngambeuan parfum nu dipake lalaki, terus utah).

Model Iklan 1(Nyemprotan sakabeh awakna ku parfum, terus leuleumpangan deui).

Model Iklan 2(Panggih deui jeung lalaki eta, terus bobogohan).  Model iklan 3Aduh ieu sirah meni nyanyautan kieu, teu kuat…, teu kuat nyeri…! Tah, untung ayaobat ieu, naon merekna nya? Euh…, Dagorin, obat neyeri sirah jeung nyeri huntu,mujarab, langsung cageur. (Terus nginum obat Dagorin).

Adegan 5Berita Olah RagaPembaca Berita 1Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara olah raga.Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2Pertandingan tinju internasional kelas bulu antara petinju nagara Amarta, BimaPuntadewa ngalawan petinju nagara Astina, Dursasana diayakeun di Sasana MajuMundur nagara Amarta. Ieu bewarana.

Page 10: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Reporter 4Pamiarsa, simkuring Ken Dedes ayeuna aya di Sasana Tinju Maju Mundur nagaraAmarta, tempat pertandingan tinju internasional kelas bulu antara petinju nagaraAmarta, Bima Puntadewa ngalawan petinju nagara Astina, Dursasana. Dua petinju ieusarua jagona, sarua kuatna, sarua hebatna. Duanana pada-pada hayang jadi jawaradunya. Dina ronde katilu ieu dua petinju teh garelut akibat emosi nu teu katahan. Wasit,Sangkuni, teu bisa misahkeun duanana. Malahan katonjok ku petinju. Tungtungnawasit dibawa ka rumah sakit. Sakitu laporan simkuring, Ken Dedes ti Sasana MajuMundur nagara Amarta, hatur nuhun.

Adegan 6Berita PilkadaPembaca Berita 1Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara pemilulegislatif. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2Pemilihan Umum Legislatif, ayeuna masih dina tahap kampanye. Salah saurang caleg,nyaeta Rahwana, ngayakeun kampanye di alun-alun kota Astina, nu dihadiran kurebuan warga jeung simpatisan. Ieu beritana

Reporter 5Pamiarsa, simkuring Citraresmi ayeuna aya di alun-alun kota Astina, tempatlumangsungnya Kampanye

Page 11: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Pemilihan Umum Legislatif. Caleg Rahwana narik simpatirebuan warga dina kampanye ieu. Rahwana anu didukung ku Partai Kurang Dahar ngajangjikeun pendidikan gratis, rumah sakit gratis, jeung sagala rupa nu gratis.CalegPara wargi sadayana, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana, Coblos atawa contrengnomer sapuluh. Lamun kuring kapilih, Insya Alloh, pendidikan gratis, rumah sakit gratis,ojeg gratis, kawin gratis, bobogohan gratis, pokona mah sagala rupa gratis. Kade,omat, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana, coblos atawa contreng nomer…sapuluh.

Warga 1, 2, 3, 4, 5 & 6Hidup Rahwana! Hidup Rahwana! Hidup Rahwana! (Keprok).

CalegTah…ieu mah minangka uang kadeudeuh ti kami. Tong hilap nya, pilih Rahwana(ngabagikeun amplop ka tiap warga, terus amplop diawurkeun, warga parebut amplop).

Reporter 5Sakitu laporan simkuring, Citraresmi ti alun-alun kota Astina, hatur nuhun.

Adegan 7PanutupPembaca Berita 1Pamiarsa, sakitu bewara basa sunda anu kapihatur ti Jawara TV.

Page 12: TUGAS ANALISIS PURWAKANTI

Pembaca Berita 2Tepang deui enjing, dina program sareng jam anu sami ti Jawara TV. Wilujeng,

Pembaca 1 & 2Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wa