Ku: HD. Bastamanpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/11/mangle...Anyar: Katresnan kana...

2
·_-1 . -. I o Sabtu o Selasa o Rabu • Kamis 0 Jl/'l1at o Minggu 45 20 67 21 2;t 8 9 @ 'If 23 24 25 26 12 13 27 28 14 15 29 30 31 o Mar QSep OOkt .Nav ODes OApr OMei OJun OJul 0 Ags D iitung-itung geus ampir dua taun ti bada medaJna CD "Sekar Anyar: Katresnan kana Cianjuran", album pangeling-eling 50 taun PTSC Damas 2009, nepi ka medal deui album lagu-lagu Sekar Anyar juduJna "Regas Lungkawing Lamping", hasiJ gawe bareng Dasentra - Unpad 2011. Dinajero dua taun teh kawasna geus leler gunjlang-ganjling pro-kontra Sekar Anyar 'nu ngalantarankeun Jembaga Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran (PTSC) dibubarkeun ku Pangurus Besar Damas Puseur taun 2010i Katitenan Jalaguan Sekar Anyar, nu dina cover 50 Ku: HD. Bastaman aJbumna disebut "Cianjuran wanda Rambatan", geus mimiti dipiresep ku masarakat nu micinta seni galindeng Sunda tradisi. Eta nandakeun sikep dewasa masarakat nu geus bisa narima wanda, poJa dongkarijeung motif-gal in- deng nu beda jeung nu geus nyampak. Muga-muga bae dibarengan ku kasadaran yen Sekar Anyar teh wujud kamekaran seni mamaos Cianjuran, lain saingan nu bakal mareuman Cianjuran! Perkara Sekar Anyar teu kaasup kana wand a "Papanderan" (Papan- tun an, JejempJangan, Dedegungan, Rarancagan) Jantaran aya poJa galin- deng nu beda ti nu geus nyampak, apan ayeuna mah geus boga ngaran wanda sorangan nyaeta Rambatan. Dian Hendrayana nu mimiti ngawanohkeun istilahna teh dina Mangle No. 2291, ku kituna anjeunna nu kudu tanggung- jawab "ngabubur beureum, ngabubur bodas" minangka panganteb ngaran "Rambatan", Tina kecap "rambat" atawa "ngarambat" asalna teh nu ngagambarkeun yen Cianjuran henteu statis, tapi terus mekar ti waktu ka waktu luyu jeung pameredih jaman nu direspon sacara estetik ku para kom- poser kreatif, "Klasik -dinamis" Cianjuran teh ceuk jenatna Nano S. Mangle No. 2347 --- -----------------_._--, Klfninn.Hl1 ••..••.••• nnnn-' ~Oll

Transcript of Ku: HD. Bastamanpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/11/mangle...Anyar: Katresnan kana...

Page 1: Ku: HD. Bastamanpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/11/mangle...Anyar: Katresnan kana Cianjuran", album pangeling-eling 50 taun PTSCDamas 2009, nepi ka medal deui album lagu-lagu

·_-1 . -.I

o Sabtuo Selasa o Rabu • Kamis 0 Jl/'l1at o Minggu

4 520

6 721 2;t

8 9 @ 'If23 24 25 26

12 1327 28

14 1529 30 31

o Mar QSep OOkt .Nav ODesOApr OMei OJun OJul 0 Ags

Diitung-itung geus ampir dua taunti bada medaJna CD "SekarAnyar: Katresnan kana

Cianjuran", album pangeling-eling 50taun PTSC Damas 2009, nepi ka medaldeui album lagu-lagu Sekar AnyarjuduJna "Regas LungkawingLamping", hasiJ gawe bareng Dasentra- Unpad 2011.

Dinajero dua taun teh kawasna geusleler gunjlang-ganjling pro-kontra SekarAnyar 'nu ngalantarankeun JembagaPasanggiri Tembang Sunda Cianjuran(PTSC) dibubarkeun ku Pangurus BesarDamas Puseur taun 2010i KatitenanJalaguan Sekar Anyar, nu dina cover

50

Ku: HD. Bastaman

aJbumna disebut "Cianjuran wandaRambatan", geus mimiti dipiresep kumasarakat nu micinta seni galindengSunda tradisi. Eta nandakeun sikepdewasa masarakat nu geus bisa narimawanda, poJa dongkarijeung motif-gal in-deng nu beda jeung nu geus nyampak.Muga-muga bae dibarengan kukasadaran yen Sekar Anyar teh wujudkamekaran seni mamaos Cianjuran,lain saingan nu bakal mareumanCianjuran!

Perkara Sekar Anyar teu kaasupkana wand a "Papanderan" (Papan-tun an, JejempJangan, Dedegungan,Rarancagan) Jantaran aya poJa galin-

deng nu beda ti nu geus nyampak, apanayeuna mah geus boga ngaran wandasorangan nyaeta Rambatan. DianHendrayana nu mimiti ngawanohkeunistilahna teh dina Mangle No. 2291, kukituna anjeunna nu kudu tanggung-jawab "ngabubur beureum, ngabuburbodas" minangka panganteb ngaran"Rambatan", Tina kecap "rambat"atawa "ngarambat" asalna teh nungagambarkeun yen Cianjuran henteustatis, tapi terus mekar ti waktu kawaktu luyu jeung pameredih jaman nudirespon sacara estetik ku para kom-poser kreatif, "Klasik -dinamis"Cianjuran teh ceuk jenatna Nano S.

Mangle No. 2347

--- -----------------_._--, Klfninn.Hl1 ••..••.••• nnnn-' ~Oll

Page 2: Ku: HD. Bastamanpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/11/mangle...Anyar: Katresnan kana Cianjuran", album pangeling-eling 50 taun PTSCDamas 2009, nepi ka medal deui album lagu-lagu

mah. Eta pis an luhurna Cianjuran tehnyaeta ngailhaman jeung jadi pangin-ditan karya cipta dina wanda-wandaanyar saperti Katem (Nano),Perkembangan (Barmara), Sekar Anyar,jeung Bandungan (Ubun).

Kumaha kaendahan galindengna?Pisan.... endahna teh, ceuk barudakayeuna mah. Malah seueur saminasareng Cianjuran, di antawisna dinapola pirigan sareng struktur pidanganlagu nyaeta sabada mama os disambungku lagu panambih. Ari bentenna mahtangtos bae aya, uta mina aya motifgalindeng nu teu kapendak din a "papan-deran" sareng rumpakana nu teu"mupuh" nanging "nyajak". Teu kawonku Cianjuran endahna teh numutkeunceuli awam sim kuring mah. Mibandakaendahan miwah kaunikan sewang-sewangan maksad teh, Mangga geurabakal . kauninga ku nyalira upamingadangukeunana din a kaayaan rinehdisarengan ku rasa nyaah miwah hor-mat, manah wening sareng sikep nujembar. Sanes mung ku cepil wungkuldidangukeunana teh, nanging bari leres-leres dihayati lagu miwah eusiumpakana.

Album "Regas" teh eusina salapan(9) pasang lagu-Iagu mamaos jeungpanambih dina laras Mandalungan,Sorog, Pelog, jeung Salendro.Rumpakana tina sajak-sajak para seniorYayat Hendayana (Wegah, SajeroningSindang), Zahir Zachri (Amanah,Mustika Khatulistiwa), Ganjar Kurnia(Panasaran, Lungkawing Lamping;Regas, Kageuri Dongkari; Melang,Bentang Ipukan; Kaindih, Ilang) jeungpanyajak nonoman Dian Hendrayana(Lara Kangen, Kula Kelingan; Suwung,Nyungsi). Ari nu nyipta lagu-Iagunakabeh oge Ubun Kubarsah kokojoDasentra. Saha juru galindengna? Ayagenep panembang nu kungsi nyangkingjuara PTSC Damas: Neneng Dinar, ElisRosliani, Ujang Supriatna salaku seniornu "ngaping" bentang-bentang harepanRosyanti, Mustika Iman, Dini Andrianti,Novi Aksmiranti, jeung Tedi Sudiarto.Dirojong ku Yusdiana nu giliran jeungGan-Gan Gumilar dina .kacapi indungjeung rincik, Iwan Mulyana juru sulingsaba mancanagara. Atuh pirigananadigarap merenah ku Gun Gunawi baridiropea ku Abuy salaku mastering/-mixer. Sageuy teu sampulur. Geuraurang sawang salangkung para jurugalindengna, utamina para bentangharepan.

Neneng Dinar, Elis Rosliani, jeungUjang Supriatna kaasup panembang nu

--------~--~------~----------------

"geus jadi" tur mibanda kaistimewaansewang-sewangan, Pon kitu deui nukapireng di panembang ipukan, NengDini. Sidik, dina panambih "KageuriDongkari" (sajak "pernbebasan" GanjarKurnia) dina laras salendro mah Elisjeung Dini teh pigenti kapireng nyarilebah ngunikeun sesenggolana,karasana ge estuning geulis pisan (laingumeulis). Leotan-leotanana lucu (cute)di antarana lebah ngucapkeun"ngabeubeut" jeung "meal luat-Ieot".Atuh lebah nyenggolan "galasar-golosor" matak ngalenyap. Malah dina"Kageuri Dongkari" keneh, Elis ogenyieun torobosan anyar ti nu bias anadeudeuh tur linduk khas sekar lawasjadi leuwih dinamis plus kaluar soranapas nu mawa sari. Moal pamali, asalsaulas jeung tong remen teuing. UjangSupriatna, panembang lalaki nu bener-bener "lalaki" alias macho, sorana luwestur hade, powerna kuat tapi bisa ogeharewos, pas pisan dipasangkeun jeungNeneng Dinar nu danget ieu kaasuppanembang wanoja nu anggun berkelastur nyakola senggol-senggolna.

Rosyanti mah bentang harepan nukonsisten alusna, jiwa cianjurananageus (ampir) napak mawa sari kanalagu-lagu rambatan nu digalindengkeu-nana. Dina lagu "PanasaranLungkawing" nu rumpakana tina sajakGanjar Kurnia kajiwaan. Atuh dina"Suwung - Nyungsi" kornpak tur hadepisan patembalan jeung Mustika Iman,bubuhan soulmate!

Sim kuring mah neundeun harepangede ka Dini Andrianti salaku panem-bang potensial nu Insya Alloh bakalnyongcolang ka hareup. Dina lagu-lagukaleran Dini pasna teh, Cobi dangukeunistimewa pisan galindengna dina "LaraKangen - Kula Kelingan" nu rumpakabasana (Dian Hendrayana) awor pisanjeung estetika laguna. Kagambarkeunku Dini mah kumaha marojengjana hijimojang nadah kasono bari lieuk beu-heung sosonggeteun nganti-nganti buahhate nu balayar can mulang-mulang.Ngageurina ge apan "...lawas teuing sira.miang, lara temen kula kangen... duhMas Mirah ku teu geura-geura mulih"bari semu dareuda.

Ari nu rada jadi pikiran sim kuringnyaeta hariwang Dini ukur jadi spesialislagu-lagu wanda kaleran jalarankalalanjcan betah di dinya, kalebetseueur teuing kakuping sora napasna nusajeungkal deui jadi ... seuhah, aeh sen-sual nu "cenah" rada dipahing dinacianjuran mah. Kahoyong mah Dini singmekar jadi panembang multitalenta

kawas Neneng Dinar nu tapis ngagalin-dengkeun rupa-rupa ragam jeungwanda galindeng (rneh) sampurna.Sanajan Dini wartosna kungsi digecekcianjuran ku Elis Rosliani tur kungsijadijuara III PSTC asa teu patos ebreh saricianjuranana. Duka pedah sim kuringbae nu teu acan nguping Dini ngagalin-deng Cianjuran. Ku kituna aya saenaDini kersa ngaderes deui mamaosCianjuran, maksad teh sangkan tiasanyangking tehnik sareng clongkarimiwah rasa kacianjuran salaku hulu-wotan estetika galindeng wandaRambatan. Da ari lilingeranana toskacangking mah mangga tell teuingbade ngahaleuangan naon bae oge,

Nganuhunkeun ka Novi Aksmirantijeung Tedi Sudiarto nu nambahan sarikana galindeng "Kageuri Dongkari"jeung Dini kana "Bentang Ipukan" kurampakna. Sing salabar bae bari jeungtetep miara kualitas sera, jununningkatkeun kaparigelan galindengjeung ngalatih neleban jiwa lagu, sababduanana sigana ayeuna keur aya dinatitenan Kang Ubun. Insya Allah ka ha-reup bakal "kapeunteun" ku Kang Ubunpikeun jadi vokalist lagu-Iagu ciptaananjeunna.

Mungkas ieu sawangan ava tilu halnu bade didugikeun: Kahiji, saena di-serat titimangsa medalna alhum man-grupi informasi lalaguan nu aya mangsaharita. Kantenan kanggo panalungtikanilmiah mah kalintang pentingna.

Kadua, foto para pamirig oge saepisan up ami dimuat sajabi para jurumamaosna. Kanggo ngapresiasi aran-jeunna supados langkung sumanget tur"pede" maksad teh.

Katilu, Sekar Anyar, urang sebat baeti ayeuna mah "Rambatan", alharndulil-lah tos teu jadi masalah deui tur ngawi-tan kalandep ku masarakat. Sanaos kituurang kedah sadar yen kondisi SekarAnyar ayeuna teu benten sapertos SekarLawas nu dina sajak Kang GanjarKurnia digambarkeun "regas - kageuridongkari", Sekar Anyar atanapiCianjuran wanda Rambatan, sabada duataun "go public", ibarat dina tatangkalanmah ngawitan ngakar, munggaranngadaun ngora bari dahan-dahannababari keneh pites, masih regas didalakku masalah dongkari, Ku kitunaCianjuran wanda Rambatan kedah se-ring kauninga ku masarakat sangkanlangkung dipiwanoh. Sageuy tos dipi-wanoh mah teu dipibogoh. Atuhsanggeus pada mibogoh piraku aya nurek ngadalak. ****

Ciputat, 21 September 2011