Kiceupna Virtual

40
Kiceupna Virtual

description

Kontretan Sajak Kenging Wahyu Heriyadi

Transcript of Kiceupna Virtual

Page 1: Kiceupna Virtual

Kiceupna Virtual

Kotretan Sajak Kenging :

Wahyu Heriyadi

Page 2: Kiceupna Virtual

Teluh Siber

Reretan ngalenyepKuliat renghap ka pipir biwirMedar, medarCeuli nyanggeyeCeos heosNenggar kanaGurat-guratAwak

Duh nu garurad-rarudNa samak saliraBatan hate batan repeh

Nepak-nepak Kameumet nu baluh

2

Page 3: Kiceupna Virtual

Nyanggakeun teluh

Nu siber nu ngageber

3

Page 4: Kiceupna Virtual

Ngagigihan

Hayang dilentab seuneu tina hawuMilu ngagedur jeung suluh ripuh Ngasakan sangu nu gigih kenehMangsa herang susu ancrub ka bodasnaMangsa diganyem nyakrek bari dadas letah

Sisiuk, sisiuk nu rayudNaplok gaplok naplok gaplokTaplok

Seuneu hawu, dudut saawak, saraga, mulangMulang kana merang gagang tepangMulang kuring ruhak kuring cak

4

Page 5: Kiceupna Virtual

Haturan

Kahatur gagang tilpunNu kacabak bari ngacaprakKana cepil nu tigurawilNepung wengiPahiliKana murkawanti

Kahatur sora halimpu Nu dipupuTi lalangit Jagat paburisatKecap ngajajapKana raraga renghap

5

Page 6: Kiceupna Virtual

Gurat Sisi

Ngulampes kasaatanSajret-ajret

Neang caiKa balong ka leuwi

Panoong Tepi nonggong

Kuciprak-kuciprakPasisimbeuh

Ditabeuh-tabeuhDugi ka euweuh

6

Page 7: Kiceupna Virtual

Harewos

Dina teteup sareupnapanon buligir neda reumbay-reumbay nu nyuksrukngadedet iga

Nembrak nu nyampaknumpak sesa panglayung

Hawar ngeprisbari tiawur dina harewos permios

7

Page 8: Kiceupna Virtual

Meuncit

pasentak ngageroan nu nyarelap na buukna runtuyan gulinggasah naruncleb bari rarocet gumetihletah nu kagegel unggal kecapna ngabuar sekarkakerem bari boloboran kakeueungnyelendep kana kolong dayeuh pangreureuhnyarande kana hate nu semplakeurih silih dupak kana awakngabesetsilih tewak jeung lalaonan ticengklaksapat kana urat nu raranteng ngajulan langitsora sentak deui sora tinggoak deuingagurawilngageledagmilangan sakaratul nu marucunghul

8

Page 9: Kiceupna Virtual

Dunya nu Deet

tinggelebug wanci ngababetan tina tvhanjat, serat, aya nyaliksik mapagan rohang upruk-apraknu diparekos kana ngimpleng ngelundunya sarupaning isyarah katugenahmilangan kacambah nu maruragan tina tihang-tihang aksara

katambahan nyamuni tina siberkiceup nu beak dengkak kuclak keclak dibeubeut erloji dina keupeulanmesin-mesin ngabengkerawak neundeun tulak koncina mudal tina mastakaprosesor tinggumeter

9

Page 10: Kiceupna Virtual

nangkeupan bugang-bugang

dunya nu deet, ngojay dina dunya hanjat, serat dunya serat

hiji nu leupas cangcangmangprang nukang samet tv nu lemetbeja nu bejana tingbelesat teu kaudagpelor siber beulah lalaonan jeroning dada

10

Page 11: Kiceupna Virtual

Hirup

Kuring hayang hirup, tutuluyan hirup Sanajan midamelan nu taya hartosnaSanajan teu ngurag oyagna dunyaSanajan teu ngaharewoskeun angin parobihan di nagara ieu Kuring hayang tuluy hirup tuluy silih impenanKuriak Di salira imah kuring

Kuring hayang hirupSanajan teu jadi superheroKanggo saliraAtawa barudakNu tacan nyampak

11

Page 12: Kiceupna Virtual

Kuring hayang hirup bari ngajentrengan kacapi kahirupanSanajan sorana lalaonan dina halimpuJeung lalungse basa janari ngagelebug

Kuring hayang hirup kamari ayeuna jeung engkeKuring hayang hirupHayang hirup

12

Page 13: Kiceupna Virtual

Sabot Panonna Maruragan

Bari nangkeup kana ceuli, harewosna nyentakKana hate nu balatak

Sabab kota dina tungtungLetahna ngeclakan ceuli meni buni

”Aa, naha geuning kasambat wayah balebat?””Neng, gumenclang kana panon eta raga!”

Tuluy letahna beuki manjanganSabab aya deui kecap nu diangkakeunTiis patengkep na ceuli

Ti sabot eta panona maruraganMegarkeun kalangkang

13

Page 14: Kiceupna Virtual

Meupeuskeun sawareh-warehLeungeun nu milu repeh

Ah, naha dina tv aya sesa imut manehna Nyampakkeun angkleungan kakeueung

14

Page 15: Kiceupna Virtual

Meupeus Sajak Na Durukan

Buuk runtuyna maruragan diteukteuk halimunDina gunting keneh, sesa gumetih tilas maehan wanci

Dugi ka getihna minuhan wuwungHenpun milu gumeter, basa pinuduhna ngaguar kana speakerTingjorowok nyaksenan sora maratan awak, reksak

Sabot eta, sajak-sajak mahiwalna rek didurukDipeupeus ku seuneu sapada guratan kecapna

15

Page 16: Kiceupna Virtual

Di Ungkeb Dugi Ka Sareupna

Dugi ka sareupna teu aya sasaharohang nu nampuyang ti papada aheng

Kusabab manehna ngungkeban kasonodi lawang panto nu cikeneh molongolawang bodas nyacas, kapulas pias

Tuh, tina biwirna nu kunyam-kunyemtina pangambungna nu ngarelukaya kalimah rusiah nu di beungkeutku isyarah nu lian ti paneluh

Nu teu kacaritakeun marengan mudalna kekecapan ka baligeusan

Dupi jeroning awaking

16

Page 17: Kiceupna Virtual

aya keneh kanyeri nu buni?

Renghapna ngamimiti neukteukngudar-ngudar sakujur raraga

Dugi ka parat ngajepat diungkeban getih muih, getih muih

Sareupna parna mugar awak manehna

17

Page 18: Kiceupna Virtual

Basa Peuting Nu Dikeukeupan Keueung

Peuting kakeclakan, ranggeuyan imbun tina panonkapiuh ku sasambatan,

lalumpat dugi ka tungtung janari cinyesa kapegat beungbeuratsoledat deui,

du’a-du’a patingkolebat

18

Page 19: Kiceupna Virtual

Sajak Pepegatan

tara nganjang melangbari ngeukeuweuk pamuntang tara ngadenge sora erlojitina unggeuk nu dipidangtiktokna nyebretan manehna nembang sabada kapegat sora ngambang na bale panineung nu didekeman beuki anggang

tina mp3 player sajeroning dada anggana sekar mupuan

”dupi ieu anang?” bari nyumputkeunbeungeut nu raheut

19

Page 20: Kiceupna Virtual

Sacan Tato Panonpoe Kakureb Mongkleng

dina beuheungna aya tato panonpoe nu midangkeun sajakunggal nguseup kabendu lebah urat rarantengna,aya sesa ruhaknu diayak,diawur panuju panto seuneu,minton

tidinya,aya seuneu nu ngalekek,meuncitanletah-letah nu motah,meulitan aksara nu nyelapna genggerong.elak-elakan. ngarupikeun julang ngapak.ngadupakamacak,

seuneu mancala kana bitisna,baris ngeprisnitis kuku ramo aripis,diteukteuk paseuk

bayeungyang,ilubiung ngemotan peungpeunan

20

Page 21: Kiceupna Virtual

ngagedur deui,panona durder nyekasanharurung humaregung, tina beuheungna,raracleng mongkleng.

21

Page 22: Kiceupna Virtual

Bugang Kalangkang Mulang

Berebet hariwang leupas cangcangdadampalan ngagurat salengkah motah

Meupeus tapak,rongkah taktak,meumeujeuh soak nu tinggoak

Paeh,indit na sesa-sesa boeh panona panon maruragan seuneu batudiulinan,bal-balan,bandring jamparingdibabantingaya bugangna

Luncat jeroning tv jurig nyiliwuri nu nyamuni

22

Page 23: Kiceupna Virtual

bari mamawa

Leungeun nu geus ditilepan

23

Page 24: Kiceupna Virtual

Maung Saliwatan

tisaprak nginpen nu teu mangrupa waragadnajungjleng kamelang luncat ka kebon awisanes euis, sanes, tebihna ti pipir buruannuturkeun maung lodaya nu geus lilanembongan ti tatangkalan iuhan

eta maung, ngageremna satungtung leuweungtapi teu walakaya kadenge ku sasahabari nepakeun sesa cipanon

korejat geura lumpat deuinyawa kana awakngaharewos

aki nu ngajadi maung, aki

24

Page 25: Kiceupna Virtual

nembongan ti jero sancang mumuntang haleuang

25

Page 26: Kiceupna Virtual

Awak Ngawahan Mesin

dina beuteungna aya remoli pabalatak muncrat maratan peujitkana sungut ngebul, brum brum brumna panona napel iklan sintetikdeuh, palebah mana ramongagolepak birigidigtrak tuk jrekhah heh hohnampiling jemplingngadalingding oray ngaleormesin-mesin papacokrametek

26

Page 27: Kiceupna Virtual

Junub

Baseuh, baseuhna baseuhNgeuyeumbeu kana kecapNu di heurap

27

Page 28: Kiceupna Virtual

Kiceupna Virtual

Siga nu lindeukSalira ngiceupTina rohang nu rumeuk

Tina pependetna aksaraMuka lawang dunya

Kutak ketikRamo ngarigelSono tinggaregel

Salira didinya anggerNgintun kiceupna

Ngahiang dugi ka peuntas

28

Page 29: Kiceupna Virtual

Hayang leupasKuring oge saliraNu ngalangkangVirtualTaya ngabugangLantaran anggangMupuan kembang rohangBari tapakan teu ngalengkah

29

Page 30: Kiceupna Virtual

Kamari

Bari ngarampaan aksaraManehna teuleumNgaheumheum hieum

Dupi salira maruraganTina tangkalna rumpakaMemetot deui Eusi pangdeudeuh

Nu mareulahan Cangkang melang

30

Page 31: Kiceupna Virtual

Serat Elektronik

Kecap nu ngajonghok Dina albeum cyberNumut taya hartiDina harti ngagencet wanci

31

Page 32: Kiceupna Virtual

Sabada Kecap

Kecap nu miuhMinuhan rohangKana gumeterna harti

Kecap nu ngulibekDina hartiLeungit hartiSilih eredGaplok gandong

Marudal Tuluy euntreupNgajadi bugangNgadedet hirupDina kolebat sublim

32

Page 33: Kiceupna Virtual

Patuturut

Sanajan kecap diseukeutanNuncleb kana jajantung basaJagat getihna ngamalir hanyirPalidKapalidnakeunNepi ka gulali

33

Page 34: Kiceupna Virtual

Ngareka Sajak

DipuntangDihontalDibulen

Pakakasna basa

MararencarSakapeung Oge kumincir

34

Page 35: Kiceupna Virtual

35