Karin Ding

3
KARINDING NARASUMBER : KIDUNG PURNAMA Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tradisional Sunda anu cara maénna dibetrik ku tungtung ramo bari diteundeun dina baham. Aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding tèh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri, hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. ”Nu alus mah karinding tèh dijieunna tina enau, tina segi sora nu dihasilkeunna ogè bèda, leuwih ènakeun” ujar Pa Kidung. Wangun karinding aya tilu buku (ruas). Karinding mimiti dikenal taun 2000-an, nincak kana taun 2005 karinding loba dipikaresep ku jalma rèa. Cara nabeuh Karinding nyaèta disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun).

description

pupuh

Transcript of Karin Ding

KARINDING

NARASUMBER : KIDUNG PURNAMAKarinding mangrupa salah sahiji alat musik tradisional Sunda anu cara manna dibetrik ku tungtung ramo bari diteundeun dina baham. Aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding th dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja istri, hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. karinding tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Nu alus mah karinding th dijieunna tina enau, tina segi sora nu dihasilkeunna og bda, leuwih nakeun ujar Pa Kidung. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).Karinding mimiti dikenal taun 2000-an, nincak kana taun 2005 karinding loba dipikaresep ku jalma ra. Cara nabeuh Karinding nyata disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta rsonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun).Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuhna gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar th ngan kadng ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari ta sora th disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding og pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.

Manfaat karinding numutkeun pendapat ti Pa Kidung :1. Pikeun musik hiburan2. Pikeun musik ritual budaya (saperti panen sawah)3. Musik pikeun ngangon sato saperti itik,domba,jsb.Jenis-jenis karinding nyata aya karinding bass, ritme, jeung melodi. Nu mankeun karinding biasana ku lalaki, namung aya og anu ku istri kumaha asal darahna masing-masing. Satiap daerah miboga ciri khas sorangan ngeunaan asal-usul karinding ujar Pa Kidung.Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyata lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditol. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyata keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula mak rahl kahiji, anu kadua mak rahl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Ck kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora roge botik.

Kelompok:1. Adinda Aulia Rahmat2. Balqis Amatulloh3. M. Rizqi Robby4. Putri Permata Garnida5. Sidik Prayogo