Carpon Basa Sunda
-
Upload
a-shobah-permana -
Category
Documents
-
view
241 -
download
6
Transcript of Carpon Basa Sunda
Carpon Basa Sunda
Hate Anu Kabebenjokeun “Beletak,,,” sora panghapus nu di alungkeun kanu meja harepeun Adi.
Adi langsung ngorejat hudang tina sarena, anjeunna beuki reuwas pas ningali Pa Dadang nu kasohor ku kagalakanana.
“Ari sorangan lamun keur diajar teh bet sare wae geuning?” Tanya Pa Dadang.
“Hanteu Pa…” Jawab Adi bari ngagesek-gesek matana.
“Untung wae ieu panghapus ninggangna kanu meja, lamun ninggangna kana hulu maneh meren maneh geus benjol huluna” Barudak sakelas seuseurian ningali Adi diomongan kitu ku Pa Dadang.
“Geura maneh cengkat sibeungeut jug ka cai!”
Adi cengkat tina korsina, anjeunna kaluar kelas bari leumpangna goloang-goleong siga nu mabok kusabab manehna masih tunduh keneh.
Saenggeus pelajaran Pa Dadang, Adi ngagoroan Euis menta anjeunna nyamperkeun manehna.
“Neng, mana atuh tugas Matematika tea tapi erek di pangerjakeun?” Tanya Adi ka Euis
“Oh…hilap teu dicandak.” Jawab Euis.
“Ih, Neng mah lain candak atuh!” Adi ningali HP na bari leumpang ninggalkeun Euis.
Sabenerna mah tugas Matematika anu Adi teh aya dina kantong Euis. Euis ngabelaan ngerjakeun eta tugas nepikeun ka jam satu peuting. Ngan hanteu dibikeun ka Adi kusabab ningali parubahan tingkah lakuna Adi anu ayeuna mah jadi sok telat datang ka sakola nepikeun ka anjeunna pernah sababaraha kali ditahan digerbang. Anjeunna sering sare di waktu lumangsungna palajaran. Geus tilu minggu anjeunna ngalakukeun kabiasaan eta, basa eta mah anjeunna mangrupakeun salah sahiji siswa anu rajin jeung pinter. Namung ayeuna mah kapinterana teh geus teu dipake deui ku Adi. Setiap aya tugas anjeunna sering menta pangerjakeun ka Euis.
“Cie,, kamari geus jalan-jalan kamana jeung si engkang?” Tanya Fitri
“Ih, saha atuh anu jalan-jalan? Is mah kamari mah aya wae di bumi”
“Ah, teu kenging ngabohonglah Is, abi geu ningal Is nuju naek motor dibonceng ku Adi, sok ngaku waelah!” ceuk Agni
“Hanteu Is mah hanteu ngabohong, Is kamari mah aya wae di bumi”
“Terus saha atuh nu kamari dibonceng ku Adi?” Tanya Fitri deui
“Duka atuh, Is mah teu terang, rakana panginten”.
“Sanes Is, sanes rakana. Da kamari teh pas Adi ngalewat rakana Adi aya di bumi Agni. Jadi moal mungkinlah nu dibonceng ku Adi rakana Adi mah.”
“Boa-boa selingkuhanna Adi.”
“Fit, ulah waka suudzon atuh.” Agni ngingetkeun Fitri
“Uhun panginten selingkuhanna Adi.” Ceuk Euis bari ngaleos ninggalkeun babaturanna.
1
Peutingna saenggeus sholat Isya, Euis nebrahkeun awakna kanu kasur, pamikranna kumalayang ka waktu anu geus lewat. Euis nginget-nginget mangsa anjeunna keur mimiti asup SMA. Anjeunna sok diparoyokan ku babaturanna kabogohna Adi padahal sabenerna mah hanteu jadian. Kusabab seringna dipoyokan ahirna tinu poyokan eta jadi bogoh beneran.
Euis inget keneh harita basa layung ngahibar di jomantara, basa cai ngagalura di samudra, saperti aya panah ti Adi nu nanceub nyeuceb kana kantong hate Euis, ngetok-ngetok panto hate Euis, ngagedor-gedor ku gembok jajantungna Adi. Rasa eta beuki lila beuki ngalaksak kana kahirupan jeung pangimpenan Euis. Euis jadi sok era lamun papanggih jeung Adi, kitu deui sabalikna rasa eta dirasakeun oge ku Adi.
Ti saenggeus kitu, harita panonpoe edek ngampih dina dipan papandayan, bulan nu nyaangan di baturan kiceupna bentang jadi saksi mimitina cinta Adi jeung Euis, aranjeunna janji pasini ngarajut tali asih nu duaan.
Ayeuna geus sataun anjeunna ngarajut tali asih jeung Adi. Euis ngenang mangsa eta nepikeun ka anjeunna sare.
Isukna Euis saperti biasana indit ka sakola jeung babaturanana. Kitu oge balik sakolana Euis babarengan jeung babaturanana. Harita pas Euis jeung babaturanana balik ngerjakeun tugas di imahna Fitri, aya kajadian anu ngorejatkeun hate Euis.
“Is tingali geura ka belah kaler!” Pokna Agni
“Emang aya naon kitu Ni?” Tanya Euis
“Astagpirululoh aladzim, itu teh si Adi sanes?” Ceuk Fitri
“Uhun, leres eta mah si Adi” Euis ngajawab bari anjeunna leumpang nyamperkeun Adi anu keur babarengan jeung awewe.
“Oh, kusabab kitu kalakuan engkang jadi benten teh?”
Adi langsung ngorejat ningali Euis aya dihareupeunana, pipi Euis barereum, cai matana ngucur tina panon sipitna, anjeunna lumpat ninggalkeun tempat kajadian. Adi oge lumpat nyusul Euis “Neng, antosan heula sakeudap, kupingkeun heula engkang nyaur!” Euis tetep lumpat hanteu midulikeun kabogohna ngomong.
Langit nu mendung, kalimpudan ku mega hidung. Geleger sora gelap, nyear lir anu dicicikeun ti langit. Angin ngahiliwir nyereset kana hate Euis. Keueungna matak nambahan peurihna hate Euis. Hate nu kabebenjokeun ku kalakuan Adi nu miduakeun asihna Euis. Sapeupeuting Euis ceurik, anjeunna inget wae kajadian tadi sore anu geter-geter rasa peurihna nganjang kana puserna kalbu netep nanceb nurih kana sajeroning hate Euis. Cimata nungumbara dina pipina ngalengkepan rasa kuciwana Euis ka jalma nu dipikadeudeuh jeung dipikaasih ku anjuenna.
Isukna di sakola Adi nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis ngaleos kitu wae.
“Naha geuning si Euis bet jadi kitu?” Adi nanya kababaturanna Euis.
“Kitu kumaha atuh Di? Kudu na mah si Euis anu nanya kitu ka sorangan teh.” Fitri ngajawab sinis patanyaaanna Adi
Teu loba ngomong Adi langsung ngaleos kitu wae. “Tah kitu, jelema anu rumasa salah mah, dasar jelema tukang sulaya.” Agni milu rujit ningali kalakuan Adi.
2
Balik sakola Adi hanteu tuluy ka imahna, anjeunna kalahkah eureun di warung anu rada jauh ti sakolana. Di Warung eta anjeunna milu ngumpul jeung babaturan anyarna anu barangor. Saenggeus anjeunna barangdahar dahareun anu diduitan ku babaturanna, anjeunna ngahuleng mikirkan kaayaan anjeunna ayeuna. Anjeunna nu ayeuna jadi hanteu sumanget kana pelajaran, disakola sering sare jeung kabeurangan asup sakola, kitu deui ku masalah anjeunna jeung si Euis. Anjeuna kaduhung sagede gunung kusabab geus nganyenyeri hatekeun jalma anu dipikasaih ku anjeunna. Saenggeus lila Adi diuk, anjeunna cengkat, namung hese pisan Adi cengkat alatan labuh kasagara tresna, rek ngolengkah ngan bati ngojengkang, anjeunna bangrung rek balik kamana.
Di sakola Adi tetep nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis tetep ngaleos kitu wae. Kabiasaan eta terus ku Euis dilakukeun. Dina hiji poe saenggeus saminggu Euis ngalakukeun kabiasaan eta, Euis nyamperkeun Adi.
“Engkang….”
“Neng? Alhamdulilah ahirna neng nyaur deui ka engkang. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang rumasa salah pisan ka neng. Engkang kaduhung pisan tos nganyenyeri hatekeun neng.”
“Harita kieu janjina bumi jeung langit saksina, ceunah asih engkang keur neng sorangan. Tapi bumi langit eta keneh asihna duka kamana jeung kasaha. Mana engkang janji engkang rek satia teh? Engkang tos jalir janji, tega midua asih.”
“Uhun neng engkang rumasa salah pisan ka neng, tapi pireungkeun heula cariosan engkang!”
“Nyarios naon deui atuh engkang?”
“Neng teurang teu kaayaan engkang ayeuna?”
“hanteu” jawab Euis singkat
“Neng, engkang teh keur loba masalah. Neng nyaho hanteu yen indung bapa engkang teh papisah? Geus lewih ti sabulan neng, engkang teu balik-balik ka imah, lamun engkang aya di bumi engkang saperti aya di naraka, indung bapa engkang pasea wae tiap poe. Tah eta nu jadi sabab engkang hanteu sumanget ka sakola teh.”
“Emang aya kitu pakaitna masalah eta jeung masalah engkang midua?”
“Aya neng. Engkang sabenerna mah hanteu midua, engkang sengaja ngalakukeun kitu kusabab engkang percuma rek satia ka neng oge. Da ahirna mah engkang pasti ninggalkeun neng. Neng, enjing engkang bade angkat ka Surabaya sareng bapa. Neng siga nateh engkang moal tiasa datang kadieu deui. Neng, tos leungitkeun wae engkang mah tina sagala ingetan neng mah. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang mihareup pisan neng tiasa muka panto hate neng kangge ngahapunten kalepatan engkang.”
“Uhun engkang ku neng tos dihapunten sagala kalepatan engkang. Neng oge nuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan neng ka engkang.”
“Pasti neng, pasti dihapuntun kalepatan neng mah. Tong hilap tuang nyah neng!”
Adi ngaahiri omongan anjeunna jeung Euis. Anjeunna lumpat satarikna ninggalkeun Euis. Cimata Euis nganterkeun inditna Adi ka Surabaya.
Carpon basa Sunda
Ku: Dadang Sadkar
Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.
Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.
“Punya api, pa?” cenah.
Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna, dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.
Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut
Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.
“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.
Carpon bahasa sunda singkat, Saung Panineungan
Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang deui tapi kamari nya leubaran ayeuna pisan kuring neang deui eta saung, saung teh geuning taya obahna ti baheula neupi ka ayeuna istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali jangji nya didinya pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup babareungan tapi, kiwari geuning teu kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan.
Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka wahangan leutik di leubah wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha bae anu ngaradon nyeuseuh meuni rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon nyareuseuhan didinya, nya didinya
kuringge sok silih simbeuh jeung Iis mun kabeuneran Iis keurnyeuseuh malah peurnah ti gujubar duaan ari kabeuneuran otel kamalinaan nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa bagja pisan.
Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum jagong paduduaan jeung Iis teh ari meuleum di campur jeung otel tungtungna jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi bahan pangheureuyan silih doletkeun kana beungeut atuh Iis teh camelong kitu deui kuring , kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh nya campur jeung kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis.
Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus jangji da kitu geuning kolot anjeun Iis teu satuju ka kuring pedah kuring jalma nu batan sakieu tuna harta tuna harti, nya ku kolot anjeun anjeun di jodokeun ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring lunta ti Lembur rek makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di reubut batur keuna ku paribasa “meuncit meuri dina rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri kupanyakit kabogoh di reubut batur” meni keuna pisan eta sisindiran teh.
Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring di angkat jadi guru Sakola Dasar tug neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung indung na barudak.
Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta saung bating teu arapaleun eta di jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung Iis geuning suwung teu panggih duka dimana.
Dongeng : Gagak Jadi Hideung
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!Rincian Dongeng:- Judulna : Gagak Jadi Hideung- Bahasana : Kasar- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca- Watek palakuna :Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.
SAJAK SUNDA CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULAAto Suharto
Rundayan carita mangsa haritamasih natra dina rasatatali asih nu mengkeut pageuhnepi ka kiwari tetep euntreupkawas si leugeut teureup
Katresna teu ilang singraynajan umur rek nepi ka kuburkasono teu weleh pogotnajan jiwa geus teu deui ngora
Duh Gusti nu maha welas tur asihjagi tali rabi abdi dugi ka aki niniteubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri
Nyai panutan akangkasatiaan modal utamaulah nepi ka dirogahalaku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara
Kabagjaan lain diukur ku lobana branalain dihias kureuncemna emaskabagjaan pasti nyaangan urangmun iman jeung takwa jadi sareat urangdina enggoning ngabangun rumah tangga
Rundayan carita katresna harita jeung ayeunaurang jaga ulah nepi ka sirnasangkan urang tetep waluyanepi ka pantona sorga..
Amin....
ANAKINGAto Suharto
Anaking...regepkeun piwuruk ema hidepsangkan hirup rahayujeng berkah tur bagja
Anaking..tiru jeng gugu pasipatan emasabab ciri sagala wanoja natraaya dina diri ema
Bapa bagja rumah tangga jeung emanajan kadang sok manggih tunggaraema tetep ngawula ka bapapinuh ku rasa katresna
Anaking..hirupmah sadar jeung elingmun hideup mamawa wejangan emabakal pasti salawasna eling
Anaking..hideup geus nincak mangsa dewasaomat ulah kagoda ku hawa dunyanu kadang mawa cilaka
Bapa jeung ema teu boga warisan banda poharateu boga tanah nu legakomo deui emas permata
Bapak jeung ema ngan boga do'asangkan hideup hirup waluyadibeungkeut ku iman jeung takwabekel urang ngumpul engke di surga
URANG JEUNG WAYANGAto Suharto
Kiwari lain kamari tapi ayeunaKamari kuduna jadi eunteung pikeun bekelnaratas jalan sangkan lolongkrang,teu katutupan jalan
Lumampah di alam dunyaceunah darma wawayanganusik malik diobah ku dalang
Tapi urang lain wayangsabab wayang moal boga kahayang,da wayang mangrupa barang
Lumampah urang tangtu ngajojo kahayanghayang tandang, pakan jeung sandangsabab urang boga akal jeung pikiranlain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang
Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit atituluy jadi hoream ngahontal kahayanggagal lain hartina lengiteun akaltapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeunrurungkan nu ngahalangan jalan
Sing percaya kana dirinu dianti pasti ngawujud buktiasal usaha jeung percaya kanu Maha Suci
Urang beda jeung wayanglantaran urang boga akal jeung pikiranwayang ngan ukur parabot dalangnu dipirig ku gamelan dina acara hiburan