Pedaran Basa Sunda(Kel1 Adhitya NF)
-
Upload
adhitmessipisan -
Category
Documents
-
view
4.383 -
download
1
description
Transcript of Pedaran Basa Sunda(Kel1 Adhitya NF)
PEDARAN BASA SUNDA
UNDAK USUK BASA DINA KAHIRUPAN SAPOPOE
Didamel pikeun tugas Basa Sunda
Disusun ku
XI IPA 6
SMA NEGERI 1 GARUT
Jl. Merdeka No. 91 Tarogong Kaler
GARUT
2010
Kata panganteur
Puji sinareng sukur hayu urang dugikeun ka Alloh SWT anu tos masihan rahmat sinareng
hidayah ka urang sadayana ,kusabab simkuring saparakanca tiasa ngarengsekeun ieu pedaran
basa sunda nu judulna “Undak Usuk Basa Sunda dina kahirupan sapopoe”.
Pedaran ieu ditulis dumasar kana teori-teori nu tos ku simkuring saparakanca
dipikagaduh ti sababaraha sumber anu tos dipilarian ku simkuring saparakanca.
Pedaran ieu moal tiasa kabentuk upami teu aya pihak-pihak anu tos ngabantos kana
didamelna ieu pedaran. Kukituna simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka sadaya
rerencangan anu tos ngabantu dina ngarengsekeun ieu makalah anu judulna “perluna basa sunda”
dihareupkeun makalah teh tiasa dimanfaatkeun ku balarea dina perkawis perluna basa sunda dina
kahirupan sapopoe ,khususna keur urang sunda .
Simkuring saparakanca nyadar dina ieu pedaran masih seeur kalepatan boh dina
eusi ,kualitas, atanapi dina kuantitasna ieu pedaran, saran jeung kritikan anu ngabangun
dihareupkeun pisan dina ningkatkeun elmu kanggo anu ngadamel ieu pedaran.
BAB I
Bubuka
1.1 Poko Masalah
Usaha ngalestarikeun basa sunda teu gampang , tapi usaha sangkan urang Sunda,
pangpangna rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun
ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing. Lamun urang niténan
balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda méh dina sagala widang. Éléh ku urang
Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang
Sunda henteu miboga kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan
kabisana da rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP acan.
Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra ménak heubeul
atawa ménak anyar anu mibanda méntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu
dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan,
sanajan gawéna ngan ukur sembah kuriling atawa jadi pakacar
1.2 Ngidentifikasi masalah.
Teu aya na rasa ngabogaan kana basa sorangan ,jadi masalah anu kudu di
perhatikeunbener bener ku pamarentah ,sabab basa sunda bisa lestari kucara aya anu ngabogaan
saha sahana ieu basa teh lamun teu aya anu ngabogaan tangtu ieu basa sunda teh pasti aya anu
ngarebut, umumna basa sunda masih kurang di pikaresep ku budak budak ayeuna ,budak ayeuna
teu saeutik anu teu apal kana kabudayaan urang sunda ,tangtu urang ulah nyalahkeun sasaha ,tapi
urang kudu ilu mikirkeun kuaha carana ieu basa sunda teh teu leungit kaelehkeun ku
perkembangan jaman.
1.3 Rumusan Masalah
Seueur cara anu bisa dijalankeun dina nerapkeun basa sunda ka urang sunda ,basa sunda
perlu keur ciri jang jalma anu asli urang sunda,cara gawanohkeun basa sunda ka jalma sunda
diantarana nyaeta kujalur pendidikan ,ayeuna provinsi jawa barat ngadamel peraturan daerah
supaya dina pelajaran-pelajaran di sakola di ayakeun muatan local basa sunda .Anu leuwih alus
dina kahirupan sapopoe basa sunda kudu di terapkeun supaya laun laun ieu basa teh teu asing
kanggo urang sunda .
1.4 Tujuan
1. Nyebarkeun perkawis perluna basa sunda, ka urang sunda
2. Nyiptakeun rasa resep kana basa sorangan
BAB I
ISI
a. Basa sunda
Basa Sunda minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon
kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia.
Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo
Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
Banten,
Bogor,
Parahyangan, jeung
Cirebon.
Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa
lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti sakola dasar (SD) nepi ka sakola menengah pertama
(SLTP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat.
i. Wewengkon
Parantos kauninga yen Basa Sunda anu diangge di wewengkon Jawa Barat sareng Banten dibagi
deui kana sababaraha wewengkon leutik, nyeta:
- Priangan: Bandung, Ciamis, Tasik, Sumedang, Subang, Garut, Bogor, Purwakarta,
sabudereunana
- Banten: Banten sabudereunana
- Kacirebonan: Kuningan, Cirebon, Majalengka, Indramayu, sabudereunana
(LBAL=lereskeun bilih abdi lepat=CMIIW)
Pangkakoncarana sunda priangan, sigana pedah diangge di Bandung, Paris van Java tea.
Sagedengeun ti eta, wewengkon priangan teh baheula ditempatan ku para pangagung anu
kawentar anu ngenalkeun basa sunda ka luar sunda. Janten, urang priangan sok radi imut pami
ngadangu basa sundana Banten atanapi sunda pasisir kaler anu kapangaruhan ku basa jawa
(dicandak ku para nelayan ti wetan).
b. Sajarah Basa Sunda
Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan
Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku
basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé
maké aksara Pallawa.
Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan
sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna)
saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan.
Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti atawa nu aya dina
karya sastrana:
Transkripsi prasasti Ciaruteun titinggal Purnawarman
Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam
nu hartina: ieu (tapak) dua sampéan airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa
taruma nu mawa kadigjayaan.
Transkripsi prasasti Pasirmuara di Cibungbulang, titinggal karajaan Sunda
ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca
barpulihkan hadji sunda
nu hartina: ieu téh ucapan Rakeyan Juru Pengambat dina taun saka 458 nu nétélakeun yén
pamaréntahan daérah dipulihkeun ku Raja Sunda.
Transkripsi prasasti Astana Gede titinggal karajaan Sunda di Kawali
nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg
dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu
najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul
nu hartina: ieu nu tapa di Kawali téh nyaéta tapana nu mulya lir déwa. Gusti nu bagja, Raja
Wastu nu ngéréh di kota Kawali, nu parantos mapaés Karaton Surawisésa nu ngadamel kakalén
sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayunna aya nu kersa
midamel kasaéan sangkan punjul sajagat.
Mangsa II (1600-1800 Maséhi)
Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa, basa
Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda
ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar Sunda geus jlug jleg pasantrén, umumna
ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun
basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana
ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang
pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali
kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman
Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna "undak usuk basa" kana basa Sunda téh, nu mangrupa
pangaruh tina basa Jawa (contono dina naskah Wawacan Sulanjana).
Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati
jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman
pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén
téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti
éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa
Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu
minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).
Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun
di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa
urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi
ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom
palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina
widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu
mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman
(1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).
Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda
dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa
kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah
basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana
nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda
anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).
c. Fonologi
Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara
Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan
ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa
deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama
tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.
d. Tata Basa
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri
basa Sunda, nyaéta:
taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun
nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna,
tadi, jsb.
teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna
lantaran ditujukeun ka gender nu béda.
e. Sistem Tinulis
Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, diantarana:
aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta,
dipaké nepi ka abad ka-7,
aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung
kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara
Sunda pikeun pakéeun sapopoé.
f. Tata Krama
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék
utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama
basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu
diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
g. Gaya Basa
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
ngupamakeun (similé)
lalandian (métafora)
mijalma (personifikasi)
rautan (eufimisme)
ngasor (litotés)
rarahulan (hiperbol)
kadalon (pleonasme)
silib-sindir (alégori)
mindoan (repetisi)
h. Sastra
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:
mantra/jampe jeung jangjawokan
sisindiran, [[paparikan], wawangsalan, sésébréd
pupuh
kakawihan
guguritan
pupujian
wawacan
carita pantun
dongéng
carita pondok
nopél
drama, jeung
sajak atawa puisi.
i. Undak Usuk Basa
Aya 3 undak basa dina basa sunda, dibentenkeun palebah nerapkeunana. Biasa disebat: undak
usuk basa.
- Kahiji, anu lemes. Diangge pami ngobrol sareng anu saluhureun (yuswa atanapi harkat sosial)
atanapi ngobrol sopan sareng anu sapantar.
- Kadua, basa loma. Diangge dina obrolan sapopoe sareng anu sapantar (umur boh harkat sosial).
Tingkatan basa ieu oge diangge dina surat kabar, karangan, atanapi seratan2 kanggo dibaca ku
umum.
- Katilu basa garihal. Diangge ka anu sahandapeun, saleutikeun atawa jang sato. Basa garihal
disebat oge basa kasar.
Aya budak nyarita ka ibuna, mana anu ceceg:
1. Ibu, gogog nuju tuang
2. Ibu, si tumang keur nyatu
Ah, pastina oge parantos kauningan kusadaya WSAB. Ngan kumaha tah prak-prakanna? Ieu mah
sakedik umpama, diangge dina kalimah ngarah kahartos.
Bapa nuju tuang
Abdi alim neda
Embe keur nyatu
Bapa angkat ka pasar (ih, ka kantor biasana oge bapa mah :))
Abdi mios ka sakola
Si Juha mangkat ka kebon deuk ngangon embe
Bumi anu kiwa kagungan Ibu Entin (kanggo ka batur mah nyebatna bumi)
Anu palih katuhu mah rorompok (nuduhkeun imah sorangan, rorompok=rompok nu abdi)
Imah si kardun tina hinis (jang batur sahandapeun atawa loma)
Kandang maung (ieu mah jelas jang sato, leres?)
Salira keresa nyandak buku sakieu seueurna? (kanggo batur)
Abdi ngabantun piring salosin (kanggo nyalira)
Si Emod mawa bedog
j Nyerat basa sunda
Tah kumaha pami diserat? Sanes nyerat ha na ca ra ka da ta sa wa la, leres...
Anu kawentar kakoncara kajanapria saalam dunya yen ciciren basa sunda teh aya "EU". Sing
saha jalma anu bisa nyebut "EU" kalayan bener, hartina geus bisa basa sunda, hihihi... *karunya
ka si Mas di rorompok...
Tah mun nyebat tos jago, kumaha mun dipiwarang nulis. Ceuk teori, aya 3 jenis "E" dina basa
sunda.
Kahiji: "é" taling siga dina: émbér (aya curek diluhureunna)
kadua: "e" pepet, siga dina: gemes (ih ieu mah sanes sunda), jiga dina... nya dina kecap pepet
wee. Matak kitu disebat e pepet oge.
Katilu: "eu", siga nida peuyeum
Tah, pami radi sesah nyerat hiji kecap, ulah gurung gusuh, emutan heula. Sebatkeun eta kecap,
naha si sakadang "e" teh siga dina émbér, atanapi siga dina pepet, atanapi siga dina peuyeum.
Umpama,
Aya budak nakal, nu mana anu ceceg:
1. Budak teh teu bener (bener=bageur, leres, sae)
2. Budak teh teu beuneur (beuneur=ngeusi, munel, aya eusian, biasana kanggo pare)Kabayang
budak dianggap beuneur... hihihi...
Kuring cicing di Amerika, numana anu ceceg:
1. Kuring tumeuteup di Amerika (tumeuteup=memandang)
2. Kuring tumetep di Amerika (tumetep=menetap)
Ih nu kahiji mah hartosna janten: Sayah memandang di amerika (naon ieu teh)
Kuring dangdan di kamber, mana anu ceceg:
1. Kuring ngeunteung di kamber (ngeunteung= bercermin, ngaca)
2. Kuring ngenteng di kamber (ngenteng= ngentengkeung, enteng=ringan, meringankan)
Aya budak mani geulis, mana anu ceceg:
1. Euleuh si eneng mani geulis (euleuh=ekspresi kagum)
2. Eleh si eneng meni geulis (eleh=kalah)
Tah kitu para wsab, kumargi ieu teh mulungan tina emutan 17 taun kalangkung (jaman SMP)
teras rumaos sanes urang priangan, umpami bade aya anu nambihan sareng ngelereskeun,
mangga email ka [email protected], engke di tambihkeun kana handapeun ieu postingan
BAB III
PANUTUP
2.1 Kacindekan
Urang sunda masih keneh asing kana basa sorangan ,ieu tiasa katingali dina tingkah laku
paripolah urang sunda dina ngagunakeun basa sapopoena nu utamana basa sunda .teu sautik
urang sunda teu apal perluna basa sunda keur ciri tiap tiap daerah .
2.2 Saran
Kanggo ka para bapa ibu guru anu ngawulangan basa sunda kedah mampu ngalestarikeun
basa sunda supaya ieu basa teu leungit ku kamajuan jaman atawa ku budaya-budaya asing anu
bisa ngaleungitkeun basa sunda.
DAPTAR PUSTAKA