Bahan ajar 8.5 basa sunda

6
LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR-5 Sisindiran Tengetan conto sisindiran di handap ! Samemeh ngamparkeun kasur Samak heula ambeh rineh Samemeh nyalahkeun batur Ragap heula awak maneh Panyingkiran jatitujuh Ngaliwatan sasak beureum Pipikiran teu paruguh Ngemutan nu acuk beureum Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat Sanggeus hidep nengetan tilu pada karangan di luhur, kapanggih eta teh nu disebut sisindiran tea. Umumna sisindiran dibagi tilu, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Paparikan asalna tina kecap parik (parek =Jawa) hartina deukeut. Maksudna mah kecap-kecap dina paparikan boga sora nu sarua utamana lebah sora vokal nu panungtung. Rarakitan asalna tina kecap rakit, alat pikeun meuntas nu dijieun tina awi atawa kai anu dientep kalawan rapih. Puhuna rata atawa sarua. Dina rarakitan oge kitu, kecap-kecap nu aya diawal padalisan sarua.

description

Bahan ajar 8.5 basa sunda

Transcript of Bahan ajar 8.5 basa sunda

Page 1: Bahan ajar 8.5 basa sunda

LAMPIRAN 1BAHAN AJAR-5

Sisindiran

Tengetan conto sisindiran di handap !

Samemeh ngamparkeun kasur

Samak heula ambeh rineh

Samemeh nyalahkeun batur

Ragap heula awak maneh

Panyingkiran jatitujuh

Ngaliwatan sasak beureum

Pipikiran teu paruguh

Ngemutan nu acuk beureum

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu guna dunya aherat

Sanggeus hidep nengetan tilu pada karangan di luhur, kapanggih eta teh nu disebut

sisindiran tea. Umumna sisindiran dibagi tilu, nyaeta paparikan, rarakitan jeung

wawangsalan.

Paparikan asalna tina kecap parik (parek =Jawa) hartina deukeut. Maksudna mah

kecap-kecap dina paparikan boga sora nu sarua utamana lebah sora vokal nu panungtung.

Rarakitan asalna tina kecap rakit, alat pikeun meuntas nu dijieun tina awi atawa kai

anu dientep kalawan rapih. Puhuna rata atawa sarua. Dina rarakitan oge kitu, kecap-kecap nu

aya diawal padalisan sarua.

Wawangsalan mah aya eusi nu kudu diteangan heula sarta ngan diwangun ku dua

padalisan. Beda jeung paparikan atawa rarakitan.

Conto wawangsalan:

1. Kendang gede pakauman;

dag dig dug rasaning ati (wangsalna : bedug)

2. Belut sisit saba darat;

kapiraray siang wengi (wangsalna : oray)

Page 2: Bahan ajar 8.5 basa sunda

Ditilik tina eusina, sisindiran ngawengku piwuruk, silih asih, jeung sesebred /

banyol.

Titenan conto-contona!

1. piwuruk / papatah

Mawa botol ka Cisaat

Pipiti di sisi cai

Lamun urang getol solat

Pasti dipiasih Gusti

2. silih asih

Tunggul awi meunang ngadek

Dijual ka Panyingkiran

Lamun nyai enya daek

Hayu urang pelesiran

3. sesebred/banyol

Cikur jangkung jahe koneng

Lampuyang pamura beuteung

Rarasaan jangkung koneng

Sihoreng bureuteu hideung

Titenan conto sisindiran di handap !

Cimuncang ka Banjarsari

Kacamatan Panumbangan

Yu batur urang ngahiji

Ngeusian kamerdekaan

1 2 3 4 5 6 7 8 engang

1 Ci mun cang ka ban jar sa ri 8

2 Ka ca ma tan Pa num bang an 8

3 Yu ba tur u rang nga hi ji 8

4 ngeu si an ka mer de ka an 8

Conto sejenna.

1. Meser bubur ka CihaurJalanna mapay CigowongKa batur mah nitah jujur

Cangkang

Eusi

Page 3: Bahan ajar 8.5 basa sunda

Soranganna purah bohong2. Manuk piit jeung tikukur

Disamberan ku japatiMun nu alit resep syukurBakal diasih ku Gusti

3. Momotoran sisi jalanNgaliwat ka sasak saatLamun urang ngaku imanUlah poho kana sholat

4. Ka Jakarta meuli senterMeserna caket jalan tolLamun urang hayang pinterDiajarna kudu getol

5. Lamun rek neangan batuKudu nu warnana coklatMun rek neangan minantuKudu kanu rajin sholat

LAMPIRAN 2LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI 1

Pek titenan deui sisindiran di luhur, tuluy eusian pananya ieu di handap !

1. Pada kahiji diwangun ku ___________ padalisan (baris).

2. Tuliskeun bagian cangkang tina pada kahiji !

________________________________________________________________________

3. Tuliskeun bagian eusi tina pada kahiji !

______________________________________________________________________

4. Tulis kecap-kecap dina pada kahiji nu sora vokalna sarua (murwakanti)!

______________________________________________________________________

5. Jentrekeun, padalisan mana bae dina pada kahiji nu kecap-kecapna miboga sora nu

padeukeut (murwakanti)?

________________________________________________________________________

6. Nurutkeun hidep, sisindiran pada kahiji teh kaasup kana paparikan atawa

rarakitan ? Jentrekeun alesanana!

________________________________________________________________________

7. Ditilik tina eusina, pada ka sabaraha nu eusina piwuruk ?

________________________________________________________________________

8. Sisindiran pada kasabaraha anu eusina silih asih ?

Page 4: Bahan ajar 8.5 basa sunda

________________________________________________________________________

9. Sisindiran nu mana nu kaasup kana wangun rarakitan ?

________________________________________________________________________

10. Tuliskeun kecap-kecap naon sarta padalisan sabaraha nu nuduhkeun wangun

rarakitan ?

________________________________________________________________________

UJI KOMPETENSI 2

Lengkepan sisindiran ieu di handap !

1. Saninten buah saninten

Dibantun ka parapatan

__________________________________

_________

Bilih aya kalepatan

Mawa botol ka Banjaran

____________________________

_______________

Mun getol ka pangaosan

____________________________

_______________

1. ____________________________

_______________

____________________________

_______________

Elmu mah teu beurat ngagung

Teu cara dunya barana

2. Aya listrik di masigit

Caangna ka pabrik kina

____________________________

_______________

____________________________

_______________

3. Abdi gaduh wadah hiji

____________________________

_______________

Abdi hoyong munggah haji

Hanjakal can gaduh bekel

4. Siki cau dikarungan

Boga sendal

_____________________

Ari

___________________________

Bujal mah kamana-mana

5. Kukupu jangjangna

__________________

Ngariung di luhur sumur

buru-buru geura

_____________________

meungpeung

________________________

6. ____________________________

________